PELAKSANAAN + Link2 Materi TRAINING "Effective SUPERVISORY & LEADERSHIP Sk...
LINGKUNGAN
1. ULANGAN TENGAH SEMESTER GENAP
TAHUN PELAJARAN 2019-2020
Pelajaran : Bahasa Sunda Hari/Tanggal :
Kelas : II (Dua) Waktu :
No Nama Siswa
Nilai Paraf
KD 3.5 KD 3.6 Guru Orang Tua
Ieu paguneman pek baca ku hidep!
Kaberesihan Awak
Ibu : “Ujang barang tuang teh, kedah ngumbah panangan heula!”
Ujang : “Muhun, Bu”
Ibu : “Di luar teh seueur kekebul narempel kana panangan”
Ujang : “Muhun, Bu. Abdi ayeuna tos kokocok”.
Ujang : “Bu, kumaha miara awak teh?”
Ibu : “Ibak disabunan, waos dikosok nganggo odol, rambut dikuramas
nganggo sampo, sampean kedah diruru. Barang dahar ge teu
tambarakan”
Ujang : “Muhun, Bu. Ujang tos ngartos”
KD 3.5
A. Cakra (x) aksara A, B atawa C dina jawabannu bener!
1. Lamun rek dahar urang kudu ngumbah ....
A. sampean
B. baham
C. panangan
2. Alat kaberesihan pikeun ngosok huntu nyaeta ....
A. odol
B. sampo
C. sabun
3. Lamun urang diangir kudu make ....
A. odol
B. sabun
C. sampo
2. 4. Kecap kokocokhartina sarua jeung ....
A. ngumbah leungeun
B. ngumbah suku
C. ngumbah beunget
5. Sangkan urang sehat, urang kudu .... kebersihan
A. ngajagaan
B. ngajaga
C. dijaga
Eusian titik-titikdihandap!
6. Pakean kotor kudu geuwat di ....
7. Mandi asal lantis ngan sakocepat disebut ....
8. Lamun tara ngosok huntu bakal ....
9. Kadaharan sehat ngandung ....
10.Lamun gering gancang pariksa ka ....
Jawab pananya dihandap!
11.Sebutkeun 4 alat kaberesihan awak!
12.Sebutkeun 3 tempat nu kudu dijaga kaberesihana!
KD 3.6
Ieu sajak pek baca ku hidep!
Ngariksa Lingkungan
Lingkungan alam penting
Ku urang kudu diriksa
Sabab mere kauntungan
Lamun lingkungan alam ruksak
Bakal ngadatangkeun musibah
Segerna hawa, beresihna cai
Perlu diriksa jeung dipiara
Hawa kotor baris mawa kasakit
Lingkungan jadi kotor
3. 13.Tema sajak di luhur nyaeta ....
A. ngariksa lingkungan
B. miara lingkungan
C. ngarusak lingkungan
14.Sajak di luhur aya .... pada
A. 3
B. 2
C. 1
15.Lingkungan alam teh ku urang kudu ....
A. diruksak
B. diriksa
C. diraksa
16.Lamun lingkungan alam ruksak akibatna ....
A. loba musibah
B. loba panyakit
C. loba rejeki
17.Manfaat ngariksa lingkungan bakal ....
A. berekah
B. musibah
C. caah
Eusian titik-titik
18.Hawa di pegunungan karasana ....
19.Hawa nu kotor baris mawa ....
20.Lingkungan nu beresih tangtu bakal ....
21.Mun urang miceun runtah kawalungan akibatna ....
22.Cai kotor bisa nimbulkeun panyakit ....
Jawab pananya dihandap
23.Sebutkeun 4 kagunaan cai dina kahirupan urang sapopoe!
…_______________________________________
…_______________________________________
…_______________________________________
4. …______________________________________
24.Sebutkeun 4 unsur alam nu penting pikeun kahirupan!
…_______________________________________
…_______________________________________
…_______________________________________
…______________________________________
25.Sebutkeun 4 unsur nu aya di jero taneuh!
…_______________________________________
…_______________________________________
…_______________________________________
…______________________________________