1. Dokumen ini berisi nyeren atau pidato untuk mempersiapkan calon penganten sebelum pernikahan.
2. Dokumen mengajak untuk selalu bersyukur kepada Allah SWT atas nikah dan mengingatkan akan pentingnya memelihara silaturahmi.
3. Dokumen juga memberikan nasihat kepada calon penganten untuk saling mencintai, memahami, dan menghargai pasangan.
Nyeren Nampi Panganten (Ruhilatul ilma 434334032018016)
1. Nyeren, Nampi Panganten 1
Nama : Ruhilatul Ilma
NPM / Kelas : 434334032018016 / Akuntansi C
Mata Kuliah : Budaya Sunda
Dosen : - H. wawan Herdiwan, Drs, MM
- Hendra Yulianto, S.Pd., MM.
Nyerenkeun bakal panganten
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatu
Alhamdulillahilladzi ahallan nikah waharroma sifah. washolatu wassalamu 'ala
rosulillah wa'ala alihi washabihi wamawwalah amma ba'du.
Pujiining ati anu wening unggal detik disarengan sumerah ikhlas mangga urang
sami-sami sanggakeun ka Allah SWT. anu murbeng alam.
Sembahing sukma anu setra, unggal nafas urang sanggakeun ka dzat Allah anu
maha luhur Allah anu maha kawasa, luhur teu ka wengku ku usum kawasa teu
kasengker ku wates, sadaya makhluk aya dina cecepenganana.
Sholawat sinareng salam miwah kawilujengan mugia nyaahan walungan cinta
anu nyambung tur nutug kalautan kanjeng nabi Muhammad Saw, teu kakantun
kairing kulawargina anu belapati salamina, shohabat sareng rencangna anu
teuneung ludeung teu aya wates wangenna tug dugi kaurang sadaya ummatna anu
saratia.
Dinten ieu simkuring dongkap seja dumeuheus ngalangkungan sillaturrahmi mugi
mugi ginanjar kawilujengan sapapaosna, kalih ti eta manawi bahan katampi, seja
ngadugikeun kereteg maksad pun anak wastana ............................
Wireh sanggemna, kantos pateuteup patukeur tineung, palemek pacantel hate
sareng putra kakasih.................................
Jauh teu burung cunduk anggang teu elat datang, maksad seja kumawantun
manawi puruneun, tuang putra bade disuhunkeun supados sayogi janten
pibatureun umah-umah pun anak.
Kilang kitu palias nyiduh kalangit reh rumaos, sanes bangban sanes pacing, sanes
campaka aduna, wantun soteh manawi sareng manawi kembang jambe
kalanglangan, saupami kabiruyungan, kalayan kiwari simkuring seja
nyanggakeun bakal panganten pameget wasta.................. buukna salambar
getihna satetes, ambekana sadami tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal
kahaturkeun sapuratina.
Saur paripaos usum keueung pibatureun, mangsa sare keur mepende isi namah
asa kalangkung da rumaos pun anak teh tuna harta sepi tinapangarti paripaosna
henteu bodo bodo acan, tina sanes kanten kakiranganana mugia kersa ngama'lum.
2. Nyeren, Nampi Panganten 2
Ieu mah landong lengoh kalempohan,nyanggakeun babantunan anu saemah
pimanaeun hatur lumayan tawis ti pun anak.
Pamungkas hayu urang muntang ka dzat Allah SWT. jumerit kanu maha suci
neda jiad piduana mugia pun anak enggoning ngawangun rumah tanggana tiasa
tetep renggenek sapapait samamanis, pinarengan pangasih pangjaring Gusti,
sakitu anu kapihatur bobo sapanon carang sapakan sihapunten anu kasuhun.
Hasbunallah wani'mal wakil
wassalamu'alaikum wr. wb.
Nampi panganten
Alhamdulillahilladzi ahallan nikah waharroma sifah, washolatu wassalamu 'ala
rosulillah wa'ala alihi washabihi wamawwalah amma ba'du
Kalayan kucuran hamdu ka dzat numaha luhur sinarengan inayah
jeungmaunahna. Alhamdulillah dina enjung ieu urang sadaya tiasa petepung
lawung paamprok jonghok patepang raraydina raraga sillaturrahmi di tempat ieu
kangge nyakseni walimatul urusy, insya Allah sakedap deui ijab kobul bakal
panganten bade dilaksanakeun.
Sholawat sinareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan panutan alam
Rosulullah SAW, manusa tuladaneun sadaya ummat anu dina hirup huripna
estuning picontoeun urang sadaya di alam pawenangan.
Teu kakantun kakulawargina anu belapati, sahabat sareng rencangna anu
teuneung ludeung miwah ka urang sadayana salaku ummatna anu saratia.
Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun kawawakil rombongan anu
parantos ngadugikeun sagala pamaksadanana.Kasauran katampi maksad kahartos
pisan mugia Allah anu mureng alam ngalimpahkeun kurnia na.
Nu cunduk muga rahayu nu nyampak muga waluya, kawanti simkuring bingah
amar watasuta, wireh aya jajaka pinilih tanding nu kersa mileuleuheungkeun pun
anak kanggo dijantenkeun bojona, manawi ieu teh prantos aya garis ti ajali, pun
anak kenging bageanana, sapi anut na ka banteng pun anak dulang tinande
sumerah seja bumela.
Kilang kitu daek semet purun wungkul dumeh kabaledog jodo rumaos tuna
rumaos laip lieuk euweuh ragap taya semetnyanggakeun badan sakujur. keur
batur ngatur hirup kapayun, kang putra ditampi kuastakilih kasangga kalingga
murda.
Para ibu bapa sareng kulawarga bakal besan anu salamina mugia dimulyakeun ku
Allah SWT pajar teu jangjang teu jingjing pajar jonghok bari lengoh, geuning
buktosna sakieu rebona ieu sadaya cacandakan silokaning pangais asih katampi
ku astakalih kasangga kalingga murda mugi mugi tiasa ngajantenkeun tatali
silaturrahmi diantawis urang sadaya kalayan kenging pangwales anu panaglipet
ganda ti Allah anu murbeng alam.
3. Nyeren, Nampi Panganten 3
Sakitu anu kapihatur, tulus langkung kepang halang bobo sapanon carang
sapakan hapunten anu kasuhun.
Hasbunallah wa’nimal wakil.
Wasalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatu