Dokumen tersebut membahas tentang pentingnya cinta terhadap tanah air bagi warga negara. Penulis menjelaskan bahwa cinta tanah air dari warga sangat diperlukan untuk menopang suatu negara. Namun saat ini cinta warga terhadap budaya lokal semakin berkurang akibat pengaruh budaya asing. Penulis menganjurkan perlu dilakukannya upaya-upaya untuk meningkatkan cinta tanah air warga, seperti melestarikan
Tugas 1 pembaruan dlm pembelajaran jawaban tugas tuton 1.docx
Biantara
1. ASSALAMU’ALAIKUM WAROHMATULLAHI WABAROKATUH
ALHAMDULILLAHI ROBBIL ALAMIN, WABIHINASTA’INU ALA
UMUURIDUUNYA WADDIN,
WASHOLATU WASSALAMU ALA ASHROFIL ANBIYA IWAL MUR SALIN,
WA’ALA ALIHI WASOHBIHI AJMAIN. AMMA BA’DU
Sampurasun…….
Sugrining puji rawu rasa syukur dihaturkeun ka hadirat Allah ilahi robbi, anu murbeng alam,
anu parantos maparin mangpirang pirang kani’matan ka urang sadayana. Terutami ni’mat
islam sareng iman tug dugi ka danget ieu urang tiasa patepung lawung patepang raray di ieu
tempat.
Solawat miwah salam mugia tetep digolontorkeun ka junjunan alam, .Rosullah SAW , ka
para sohabatna, ka kulawargina oge ka urang sadayana salaku umatna tug dugi ka akhir
jaman. Amin ya robbal alamin
Ngadegna simkuring dina danget ieu payunenun para wargi sadayana taya seja ngiring jabung
tumalapung sabda kumapalang. Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa,
dina danget ieu simkuring barIS medar hiji perkara anu kacida pentingna dina hiji nagara,
nyaeta CINTA KA LEMAH CAI. Ku naon cinta ka lemah cai ka asup kana hal anu kacida
pentingna dina hiji nagara? Sabab hiji nagara the kudu diadegkeun ku para warga nagarana,
boh pamarentah, boh rahayat biasa.ayeuna tiasa ku pemirsa bayangkeun lamun dina hiji
nagara para warga geus teu mikacinta ka nagara, tangtu eta nagara bakal ancur sabab euweuh
anu ngadegkeunnana.
Para hadirin anu ku simkuring dipihormat…….
Ningal kana kaayaan jaman ayeuna, teu bisa dipungkir yen kacintaan warga nagara utamana
para rumaja ka nagarana geus ngurangan, Naon sababna? Sabab para rumaja geus
kapangaruhan budaya bangsa deungeun, para rumaja geus teu malire kana budayana, para
rumaja geus teu bisa milah mana nu hade mana nu goreng, nu penting mah gaul sanajan geus
kaluar tina kodrat agama jeung budaya, sabab nu sejenna nyaeta para rumaja ti budakna teu
diwanohkeun ku kolotna kana kabudayaan karuhunna sabab kolotna ngarasa sieun lamun
budakna tingaleun jaman, saenyana mah teu kitu sabab seueur urang sunda anu mikacinta
budayana jadi gegeden.
Ayeuna naon buktina yen kaacintaan para rumaja ka lemah cai geus ngurangan? Sok ayeuna
tingal ku pemirsa, jarang para rumaja anu mikacinta kana kesenian gamelan, jaipong, jeung
sajabana. Tapi para rumaja leuwih mikacinta kana kesenian bangsa deungeun seperti guru
vocal, band sareng tarian modern. Tina widang kadaharan, ayeuna para rumaja geus teu
resep ngadahar kadaharan tradisional tapi leuwih resep ngadahar kadaharan bangsa deungeun
anu ngandung pangawet nu goreng keur awak urang. Balukarna tiasa ku urang tingal
sasarengan kolot urang nu umurna 60 70 taun masih keneh bisa macul, tapi tingal jalma di
2. kota gede umur 40 tepi 50 taun oge geus katerap ku macem macem panyakit. Tah tingali
yen budaya urang leuwih hade batan budaya batur.
Para hadirin anu ku simkuring dipihormat…….
Ayeuna nu kudu ku urang dipikirkeun nyaeta cara pikeun ningkatkeun kacintaan para rumaja
ka lemah cai, kumaha carana? Salah sahiji carana nyaeta ku pamarentah ditembongkeun
kabeungharan nagara urang, karagaman budaya urang, kaendahan alam negara urang nu
diurus ku cara bener, pami tos diurus ku cara bener tangtu bakal aya rasa bangga dina hate
para warga nagara, pami tos aya rasa bangga tangtu bakal aya rasa miboga, pami tos aya rasa
miboga tangtu bakal aya rasa hayang miara jeung ngembangkeun, pami tos dipiara jeung
dikembangkeun eta rasa kacintaan ka lemah cai nu saenyana, nu dibuktikeun ku lampah
nyaeta lain ukur omongan wungkul.
Para hadirin anu ku simkuring dipihormat…….
Sakali deui simkuring umajak, hayu urang ningkatkan kacintaan urang ka lemah cai ku cara
sabilulungan silih asah, silih asih, silih asuh ngarah ieu nagri adeg, ajeg, gemah ripah loh
jinawi. Sim kuring adeg di payun sanes bade mapatahan bulu tuur atanapi mapatahan ngojay
ka meri ieu mah ngan saukur silih elingan wungkul . sakitu bae ti simkuring, hapunten bilih
aya ccacariosan nu kirang marenah tina manah