SlideShare a Scribd company logo
1 of 2
Bubuka
AssalamualaikumWr. Wb.
Kola robis
ACARA
1. PEMBUKAAN
2. PEMBACAAN AYAT SUCI AL-QURAN :
3. SEREN /TAMPI
a. Kilang kitu tumaros kanu ngadongdom, najan cunduk alus semu, najan sumping amis budi, da tara
tisasarina darongkapna ka dieu teh, ieu mah inggis sieun kukaonam, palias sanes teu nampi, mung hoyong
kareungeu nya aya naon pamaksadan jang Buhori dongkap kabumi neng siska teh.
Kukituna dihaturanan ka sesepuh rombongan calon panganten pemeget kanggo ngedalkeun sagala
pangmasadana. Ka Bapak ……………………sumangga waktos sareng ka hurmatan mangga nyangakeun.
b. Urut kabur pangacian hate narawang deui. Nu cunduk sanes rek ngarurug, sumping sanes niat jail
maksad nganjang bebesanan piraku teu dirampeskeun cunduk teu di bageakeun. Kumargi kitu sumangga di
haturanan ka wawakil ti pihak calon panganten istri anu isya Allah bade didugikeun ku Al-Ustad Tarwan
kanggo kedal ucap kacindekanana, waktos sareng ka hurmatan mangga nyangakeun.
Saur sepuhmah, nu masrahkena lalugina, nu nampina nya bingah ati, saurparipaos tea mah batu turun kesik
naek, tangkal kopok di tonggohna, itu purun ieu daek, tur sepuh sami atohna.
4. PAMASRAHAN TAWIS KA ASIH / cendramata.
5. AKAD TIKAH. Insa allah baris di sangakeun ka petugas ti kantor urusan Agama waktos sareng ka hurmatan
mangga nyangakeun.
Alhamdulillah hirabil alamin. Akad nikahna jang Buhori Muslim Sareng nyi siska nuryasti parantos
dilaksanakaeun mudah-mudahan jatukramina dua insan ieu sing ngajantenkeun keluarga sakinah
mawadah warahmah ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak. Runtut raut repeh rapih estuning bagjana,
sedihna, sapapait samamanis ayeuna mah aya batur sahate batur sadapur komo deui panginten batur
sakasur mah.
Hadirin Rahimakumullah…………
Acara dina ieu haplah aya sababaraha acara anu teu acan kapidangkeun Insya Allah acara salajengna
nyaeta………Sungkeman
6. SEMBAH SUNGKEM DI LAJENGKEUN KANA SAWER :
SUNGKEM
Anaking, jang Buhori jeung nyi siska
Kiwari hidep rek incah, mimiti rek rumah tangga, tandaning nincak sawawa leupas tiasuhan sepuh.
Najan geus biasa mandiri anaking ulah poho ka wiwitan da mungguhing sareatna, mun teu aya ibu rama,
hidep moal ho acan.
Mun milang ti hiji heula, rek leumpang ngalengkah heula, rek kitu rek kieu rek kamana rek kamendi
wiwitan tisepuh heula lungsur ti pangkonan ibu bari neda pidua rama.
Tong indit anaking tong indit bari teu amit… ngaleos kawas nu pundung munjung heula ka indung anu
ngakandung ka bapa anu ngayuga, sangkan mulus rahayu dunya rawuh aherat manga prak ayeuna pisan
hidep geura munjungan.
SAWER
Hadirin anu Ku Simkuring dipihormat
Acara salajengna nyaeta sawer ari sawer teh mangrupa piwuruk ngan sok di dangdingkeun sareng
dilagukeun Ku Juru sawer, teras di tambahan ku ngawurkeun beas anu mangrupikeun siloka atanapi
simbol yen dina ngajatukramina Kang Buhori sareng teh siska pasti meryogikeun pangan atanapi
kebutuhan pokok sapopoe. Saterasna dina sawer teh aya artos tah artos teh mangrupikeun simbol/siloka
harta banda keluarga tah ieu teh mudah-mudahan ngajantenkeun dua supaya dina berkeluargana dua
insan ieu sing disugihkeun di sejahterakeun. Amin ya Allah yarabbal alamin. Saterasna dina sawer teh aya
permen tah permen ieu mangrupikeun siloka mudah-mudahan dina berkeluargana Kang Buhori sareng
teh siska aya dina ka mamanis ditebihkeun tina hal-hal anu bakal ngaruksak kana rumahtanggina.
Saterasna dina sawer ieu teh aya harupat tah harupat ieu nyaeta benda anu bahaya mun katincak sok
kasugak anu akibatna jadi raheut tah ieu teh jadi simbol yen dina runtut rawut rumahtanggina Kang Eri
Sareng teh Eni Sing ditebihkeun tina hal-hal anu ngajantenkeun balukar kana cocobi rumah tanggina.
Ka kersana juru kawih sumangga di haturanan kanggo mimpin Sawer.
7. DO;A TUTUP :
Kango ieu nutup aca supados nu nembe akad tikah janten kelarga nusakinah mawadah warohmah
Urang sangakeun ka sesepuh ieu kampung Ka Ustd Dadang
Mapag Panganten
Jangji pasini anu bihari sapta subaya anu baheula, kiwari anggeus ngajadi wincikan ati anu wanci rarabi,
taqdir muncluk tiasa robah ku tarekahna manusa, nanging mawani rencana disarengan ku widina anu maha
suci, kersana anu maha kuasa, saluyu nurug cupu baktos sareng nyata dina kedalna cinta dua insan anu mulya.
Bewara nu mawa beja, carita anu baris nyata, asih nu ngancik jadi pamatri, subaya munggaran jadi
papacangan, rasa sajorelat ngait meungkeut ngaruhit duriat sadunya, tresna jangji nu tos pasini, tabjizi hadits
nyata ti ayeuna, cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa anu utama. Balebat mangsana miang geusan
mungkas adegan lalakon, ninggalkeun alam lalagasan, beber layar tarik jangkar, naratas kedalna jatining
sukma nyawang ngembat alam juang, muru darajat liwat marga utusan, ngemban tugas kholiqurohman.
Asih nu ngancik jadi pamatri subaya munggaran jadi panyangcang rasa dirungrung ku do’a pangjurung
sepuh, mugia tinekanan pangistrenan ka bale nyungcung dina mangsana. Nu dipamrih iqrar jiad pangdu’a
tansah panganten sakalih mugia mangkon karahayuan ngemban dina bagja anu ligarna hanteu usuman.
Turut galur sunah rosul, nincak lacak tapak para ambiya, salamina ngantos pangwuwuh rohmat Allah.
Pangrujung laku margining rahayu, piduana anu kateda ti para ikhwan-akhwat mugia luntur kalbu wening
galih, kersa ngadu’a dina waktosna timpah hatur nuhun teu aya wates wangena.
Kawih asih balabuana rasa katineung, gupay kelar eunteupna geugeut pemeungkeut rasa kameumeut,
jangji asih anu bihari, pasang subaya anu baheula seja dipatri ku jatukramina nyi Siska SARENG jang buhori.
Insya Allah mugia etangan ninggang sampurna waktosna. Taya sanes panyakseni anu di anti, pidu’a anu di seja
diwuwuh ku harepan do’a ti sadayana dina waktosna limpah ti payun ngahaturkeun sewu nuhun laksaketi
kabingahan.
Hadiriin anu mulya…………..mapag panganten di kawitan

More Related Content

Similar to Rumah Tangga Bahagia

Similar to Rumah Tangga Bahagia (20)

Adungweb on education
Adungweb on educationAdungweb on education
Adungweb on education
 
Serah panganten
Serah pangantenSerah panganten
Serah panganten
 
Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima panganten
 
Seren sumeren panganten
Seren sumeren pangantenSeren sumeren panganten
Seren sumeren panganten
 
Nyeren Nampi Panganten (Ruhilatul ilma 434334032018016)
 Nyeren Nampi Panganten (Ruhilatul ilma 434334032018016) Nyeren Nampi Panganten (Ruhilatul ilma 434334032018016)
Nyeren Nampi Panganten (Ruhilatul ilma 434334032018016)
 
Mikaweruh kabasaan
Mikaweruh kabasaanMikaweruh kabasaan
Mikaweruh kabasaan
 
Sisindiran
SisindiranSisindiran
Sisindiran
 
materi ustd arifin ilham.docx
materi ustd arifin ilham.docxmateri ustd arifin ilham.docx
materi ustd arifin ilham.docx
 
Punguan rajaoloan
Punguan rajaoloanPunguan rajaoloan
Punguan rajaoloan
 
Umpasa halak batak
Umpasa halak batakUmpasa halak batak
Umpasa halak batak
 
Pupujian
PupujianPupujian
Pupujian
 
Ceramah ttg puasa
Ceramah ttg puasaCeramah ttg puasa
Ceramah ttg puasa
 
Tembung Macapat
Tembung Macapat Tembung Macapat
Tembung Macapat
 
Contoh ikrar halal bi halal
Contoh ikrar halal bi halalContoh ikrar halal bi halal
Contoh ikrar halal bi halal
 
Soal penelitian
Soal penelitianSoal penelitian
Soal penelitian
 
Tembang Macapat
Tembang MacapatTembang Macapat
Tembang Macapat
 
Gold Elegant Aesthetic Wedding Details Presentation.pdf
Gold Elegant Aesthetic Wedding Details Presentation.pdfGold Elegant Aesthetic Wedding Details Presentation.pdf
Gold Elegant Aesthetic Wedding Details Presentation.pdf
 
lontar piwelas
lontar piwelaslontar piwelas
lontar piwelas
 
Serat wedatama
Serat wedatamaSerat wedatama
Serat wedatama
 
MATERI AKSARA BALI KELAS X.ppt
MATERI AKSARA BALI KELAS X.pptMATERI AKSARA BALI KELAS X.ppt
MATERI AKSARA BALI KELAS X.ppt
 

Rumah Tangga Bahagia

  • 1. Bubuka AssalamualaikumWr. Wb. Kola robis ACARA 1. PEMBUKAAN 2. PEMBACAAN AYAT SUCI AL-QURAN : 3. SEREN /TAMPI a. Kilang kitu tumaros kanu ngadongdom, najan cunduk alus semu, najan sumping amis budi, da tara tisasarina darongkapna ka dieu teh, ieu mah inggis sieun kukaonam, palias sanes teu nampi, mung hoyong kareungeu nya aya naon pamaksadan jang Buhori dongkap kabumi neng siska teh. Kukituna dihaturanan ka sesepuh rombongan calon panganten pemeget kanggo ngedalkeun sagala pangmasadana. Ka Bapak ……………………sumangga waktos sareng ka hurmatan mangga nyangakeun. b. Urut kabur pangacian hate narawang deui. Nu cunduk sanes rek ngarurug, sumping sanes niat jail maksad nganjang bebesanan piraku teu dirampeskeun cunduk teu di bageakeun. Kumargi kitu sumangga di haturanan ka wawakil ti pihak calon panganten istri anu isya Allah bade didugikeun ku Al-Ustad Tarwan kanggo kedal ucap kacindekanana, waktos sareng ka hurmatan mangga nyangakeun. Saur sepuhmah, nu masrahkena lalugina, nu nampina nya bingah ati, saurparipaos tea mah batu turun kesik naek, tangkal kopok di tonggohna, itu purun ieu daek, tur sepuh sami atohna. 4. PAMASRAHAN TAWIS KA ASIH / cendramata. 5. AKAD TIKAH. Insa allah baris di sangakeun ka petugas ti kantor urusan Agama waktos sareng ka hurmatan mangga nyangakeun. Alhamdulillah hirabil alamin. Akad nikahna jang Buhori Muslim Sareng nyi siska nuryasti parantos dilaksanakaeun mudah-mudahan jatukramina dua insan ieu sing ngajantenkeun keluarga sakinah mawadah warahmah ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak. Runtut raut repeh rapih estuning bagjana, sedihna, sapapait samamanis ayeuna mah aya batur sahate batur sadapur komo deui panginten batur sakasur mah. Hadirin Rahimakumullah………… Acara dina ieu haplah aya sababaraha acara anu teu acan kapidangkeun Insya Allah acara salajengna nyaeta………Sungkeman 6. SEMBAH SUNGKEM DI LAJENGKEUN KANA SAWER : SUNGKEM Anaking, jang Buhori jeung nyi siska Kiwari hidep rek incah, mimiti rek rumah tangga, tandaning nincak sawawa leupas tiasuhan sepuh. Najan geus biasa mandiri anaking ulah poho ka wiwitan da mungguhing sareatna, mun teu aya ibu rama, hidep moal ho acan. Mun milang ti hiji heula, rek leumpang ngalengkah heula, rek kitu rek kieu rek kamana rek kamendi wiwitan tisepuh heula lungsur ti pangkonan ibu bari neda pidua rama. Tong indit anaking tong indit bari teu amit… ngaleos kawas nu pundung munjung heula ka indung anu ngakandung ka bapa anu ngayuga, sangkan mulus rahayu dunya rawuh aherat manga prak ayeuna pisan hidep geura munjungan. SAWER Hadirin anu Ku Simkuring dipihormat Acara salajengna nyaeta sawer ari sawer teh mangrupa piwuruk ngan sok di dangdingkeun sareng dilagukeun Ku Juru sawer, teras di tambahan ku ngawurkeun beas anu mangrupikeun siloka atanapi simbol yen dina ngajatukramina Kang Buhori sareng teh siska pasti meryogikeun pangan atanapi kebutuhan pokok sapopoe. Saterasna dina sawer teh aya artos tah artos teh mangrupikeun simbol/siloka harta banda keluarga tah ieu teh mudah-mudahan ngajantenkeun dua supaya dina berkeluargana dua insan ieu sing disugihkeun di sejahterakeun. Amin ya Allah yarabbal alamin. Saterasna dina sawer teh aya permen tah permen ieu mangrupikeun siloka mudah-mudahan dina berkeluargana Kang Buhori sareng teh siska aya dina ka mamanis ditebihkeun tina hal-hal anu bakal ngaruksak kana rumahtanggina. Saterasna dina sawer ieu teh aya harupat tah harupat ieu nyaeta benda anu bahaya mun katincak sok kasugak anu akibatna jadi raheut tah ieu teh jadi simbol yen dina runtut rawut rumahtanggina Kang Eri Sareng teh Eni Sing ditebihkeun tina hal-hal anu ngajantenkeun balukar kana cocobi rumah tanggina. Ka kersana juru kawih sumangga di haturanan kanggo mimpin Sawer. 7. DO;A TUTUP : Kango ieu nutup aca supados nu nembe akad tikah janten kelarga nusakinah mawadah warohmah Urang sangakeun ka sesepuh ieu kampung Ka Ustd Dadang
  • 2. Mapag Panganten Jangji pasini anu bihari sapta subaya anu baheula, kiwari anggeus ngajadi wincikan ati anu wanci rarabi, taqdir muncluk tiasa robah ku tarekahna manusa, nanging mawani rencana disarengan ku widina anu maha suci, kersana anu maha kuasa, saluyu nurug cupu baktos sareng nyata dina kedalna cinta dua insan anu mulya. Bewara nu mawa beja, carita anu baris nyata, asih nu ngancik jadi pamatri, subaya munggaran jadi papacangan, rasa sajorelat ngait meungkeut ngaruhit duriat sadunya, tresna jangji nu tos pasini, tabjizi hadits nyata ti ayeuna, cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa anu utama. Balebat mangsana miang geusan mungkas adegan lalakon, ninggalkeun alam lalagasan, beber layar tarik jangkar, naratas kedalna jatining sukma nyawang ngembat alam juang, muru darajat liwat marga utusan, ngemban tugas kholiqurohman. Asih nu ngancik jadi pamatri subaya munggaran jadi panyangcang rasa dirungrung ku do’a pangjurung sepuh, mugia tinekanan pangistrenan ka bale nyungcung dina mangsana. Nu dipamrih iqrar jiad pangdu’a tansah panganten sakalih mugia mangkon karahayuan ngemban dina bagja anu ligarna hanteu usuman. Turut galur sunah rosul, nincak lacak tapak para ambiya, salamina ngantos pangwuwuh rohmat Allah. Pangrujung laku margining rahayu, piduana anu kateda ti para ikhwan-akhwat mugia luntur kalbu wening galih, kersa ngadu’a dina waktosna timpah hatur nuhun teu aya wates wangena. Kawih asih balabuana rasa katineung, gupay kelar eunteupna geugeut pemeungkeut rasa kameumeut, jangji asih anu bihari, pasang subaya anu baheula seja dipatri ku jatukramina nyi Siska SARENG jang buhori. Insya Allah mugia etangan ninggang sampurna waktosna. Taya sanes panyakseni anu di anti, pidu’a anu di seja diwuwuh ku harepan do’a ti sadayana dina waktosna limpah ti payun ngahaturkeun sewu nuhun laksaketi kabingahan. Hadiriin anu mulya…………..mapag panganten di kawitan