SlideShare a Scribd company logo
1 of 13
Bahasa Sunda
 Paribasa nyaeta, babandingan anu jadi
perlambang lakuning hirup anu ngawangun
kalimah dina jero kurung ungkara anu geus
puguh entep seureuh na geus puguh surupan
nana geus puguh porpokan nana
 Babasan nyaeta, pakeman basa atawa
ungkapan anu matok ungkara basa nu dipake
harti injeman nana sarta eusi mangrupa
babandingan nu ngagambarkeun kaayaan
kalakuan jeung kasipatan jelema
Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang deui tapi kamari nya leubaran ayeuna
pisan kuring neang deui eta saung, saung teh geuning taya obahna ti baheula neupi ka ayeuna
istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali jangji nya didinya
pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup babareungan tapi, kiwari geuning teu
kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan.
Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka wahangan leutik di leubah
wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha bae anu ngaradon nyeuseuh meuni
rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon nyareuseuhan didinya, nya didinya kuringge sok
silih simbeuh jeung Iis mun kabeuneran Iis keurnyeuseuh malah peurnah ti gujubar duaan ari
kabeuneuran otel kamalinaan nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa bagja pisan.
Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum jagong paduduaan jeung Iis teh
ari meuleum di campur jeung otel tungtungna jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi
bahan pangheureuyan silih doletkeun kana beungeut atuh Iis teh camelong kitu deui kuring ,
kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh nya campur jeung
kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis.
Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus jangji da kitu geuning kolot
anjeun Iis teu satuju ka kuring pedah kuring jalma nu batan sakieu Heureut Pakeun, nya ku
kolot anjeun anjeun di jodokeun ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring
lunta ti Lembur rek makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di
reubut batur keuna ku paribasa “meuncit meuri dina rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri
kupanyakit kabogoh di reubut batur” meni keuna pisan eta sisindiran teh.
Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring di angkat jadi guru Sakola
Dasar tug neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung
indung na barudak.
Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta saung bating teu arapaleun eta
di jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung Iis
geuning suwung teu panggih duka dimana.
Carpon nyaeta karya sastra anu direka dina
bahasa lancaran kalawan ukuranna pondok
biasana eusi caritana nyaritakeun kahirupan
manusia sapopoe.
Dina carpon aya babasan “Heureut Pakeun”
anu hartina “ Saeutik Pangaboga”
Assàlamu’alaikum Wr.Wb
Bismillàhirohmaanirrohin
Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn
anu ku simkuring dimulyàkeun.
Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang
sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun
kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para
sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.
Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl
anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun
hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan
lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos
ngalaksanàkeun tina sabagian imàn Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok .
lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà
kaimanan.
Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola.
Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn
sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu
tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.
Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà
urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn
Biantara nyaeta nyarita nepikeun atawa
ngadadarkeun hiji perkara dihareupeun balarea
kalawan make cara jeung tatakrama anu
khusus
Dina eta biantara aya paribasa
“Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok”
anu hartina “Lamun tuluy dipigawe tangtu
bakal karasa hasilna”
Jaman baheula, aya awéwé anu kacida bengharna. Rajakayana bru di juru
bro di panto, ngalayah ditengah imah. Nyi Endit téh Buntut kasiran
sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit.
Rajakayana unggul waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh
tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lébar, sagala nyaah. Tong boro
dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirisorangan gé kahayangnamah
ulah.
Hiji mangsa, datang aki-aki anu siga langlayeuseun. Eta aki-aki téh pok
nyarita ka Nyi Endit, “Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha
poé geus teu kararaban sangu”.
Ngadéngé lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa
karunya, tapi kalah malik ambék. Aki-aki téh diusir sapajodogan.
Isukna, éta aki-aki téh geus jol deui, bari ngélingan Nyi Endit sangkan daék
tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Tapi haté Nyi Endit angger
ngabatu. Sakali deui éta aki-aki nu pikarunyaeun téh diusir sapajodogan.
Katilu kalina, aki-aki datang deui. Ayeuna mah ku Nyi Endit téh teu
ditungguan lila-lila aya diburuan imahna, langsung diusir. Aki-aki téh
carindakdak bakat ku nalangsa. Ceb nanceb iteukna diburuan imah Nyi
Endit, tuluy ngaléos indit teuing ka mana.
Carita babad nyaeta carita anu eusina
ngandung unsur sajarah atau sajarah anu
dibumbuan ku unsur carita
Dina carita Babad eta teh aya Babasan
“Nyi Endit téh Buntut kasiran”
harti na teh
““Nyi Endit téh Koret pisan”
Assàlamu’alaikum Wr.Wb
Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,
Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Ciamis anu ku sim
kuring dipihormat,
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1. Bubuka
2. Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar
4. Nembangkeun Nasyid
5. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
6. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS
7. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
8. Bewara forum alumni
9. Do’a
10. Panutup
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka
rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun
ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2
Ciamis di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo
sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik
wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Pamandu acara nyaeta jalmi anu tugasna
salaku pribumi sakaligus pamimpin acara dina
jero panggung pamentasan, hiburan,
perkawinan, jeng acara acara sarupa
Dina pamandu acara teh aya paribasa
“bobo sapanon carang sapakan, luhur saur
bahe carek” anu harti na
“seutik kasalahan menta dihampura”
Assalamualaikum Wr.Wb
Pamiarsa ,wilujeung patepang deui sareng,Faris Isham Wiryansyah ,dina
acara warta sunda.warta anu baris kapindangkeun nya eta: DISPERINDAG
KAB.BANDUNG NGAYAKEUN PASAR MURAH.
BANDUNG,GWKDisperindag (dinas perindustrian & perdagangan)
Kab.Bandung ngayakeun pasar murah Di kompleks perkantoran Pemkab
Bandung,Senen(23/8). Dina eta pasar murah , dijual saniskara produk
UKM(usaha kecil menengah)Nurutkeun Kadisperindag Kab.Bandung
Bambang Budiraharjo,pasar murah ieu ngarupakeun agenda taunan nu
bakal dilaksanakeun Disperindag Kab Bandung . Dina pasar murah ieu
,sakabeh produk nu dijual .Hargana leuwih murah dibandingkeun dipasar
swalayan atawa swalayan.Pasar murah kacida dipikaresep warga di
Kab.Bandung .Saperti taun samemehna ,muterna duit ngahontal Rp 68 juta
“peminat pasar murah ieu lolobana masyarakat umum .Persentase
ngadongdonna 70% Masyarakat umum jeung 30% PNS”.Pamiarsa,Mung
sakitu nu kapihatur,Wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap,
Amit mundur amit mungkur Wasalamualaikum Wr.Wb
Warta nyaeta informasi anu dipaparkeun dina
media elektronik atawa media cetak make basa
sunda.
Dina warta teh aya paribasa “Amit mundur amit
mungkur “ anu makna na pamitan
 Wilda Thayyiba
 Nadea Amanda
 Annisa Fauziah
 Rekha Nurani Wijaya
 Intan Ratnawati

More Related Content

Similar to KARYA (20)

Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima panganten
 
Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima panganten
 
Modul paribasa bali
Modul  paribasa baliModul  paribasa bali
Modul paribasa bali
 
BAHASA DAERAH BALI KLS XI
 BAHASA DAERAH  BALI KLS XI  BAHASA DAERAH  BALI KLS XI
BAHASA DAERAH BALI KLS XI
 
BAHASA BALI KELAS XI
BAHASA BALI KELAS XIBAHASA BALI KELAS XI
BAHASA BALI KELAS XI
 
Cerpen bahasa bali (1)
Cerpen bahasa bali (1)Cerpen bahasa bali (1)
Cerpen bahasa bali (1)
 
biantara.docx
biantara.docxbiantara.docx
biantara.docx
 
Krakteristik balai pustaka
Krakteristik balai pustakaKrakteristik balai pustaka
Krakteristik balai pustaka
 
Acara tikahan
Acara tikahanAcara tikahan
Acara tikahan
 
Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda
Teks Pembawa Acara Pernikahan SundaTeks Pembawa Acara Pernikahan Sunda
Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda
 
Soal penelitian
Soal penelitianSoal penelitian
Soal penelitian
 
Pidarta
PidartaPidarta
Pidarta
 
Serah panganten
Serah pangantenSerah panganten
Serah panganten
 
Tembung Macapat
Tembung Macapat Tembung Macapat
Tembung Macapat
 
Bangau menenun songket
Bangau menenun songketBangau menenun songket
Bangau menenun songket
 
Dalam rindu (hembang tambun)
Dalam rindu (hembang tambun)Dalam rindu (hembang tambun)
Dalam rindu (hembang tambun)
 
Dalam rindu (hembang tambun)
Dalam rindu (hembang tambun)Dalam rindu (hembang tambun)
Dalam rindu (hembang tambun)
 
Tembang Macapat- Najla Anggilya Salsabila
Tembang Macapat- Najla Anggilya Salsabila Tembang Macapat- Najla Anggilya Salsabila
Tembang Macapat- Najla Anggilya Salsabila
 
Up ppg daljab latihan soal-pgsd-set-2
Up ppg daljab latihan soal-pgsd-set-2Up ppg daljab latihan soal-pgsd-set-2
Up ppg daljab latihan soal-pgsd-set-2
 
Sisindiran
SisindiranSisindiran
Sisindiran
 

KARYA

  • 2.  Paribasa nyaeta, babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup anu ngawangun kalimah dina jero kurung ungkara anu geus puguh entep seureuh na geus puguh surupan nana geus puguh porpokan nana  Babasan nyaeta, pakeman basa atawa ungkapan anu matok ungkara basa nu dipake harti injeman nana sarta eusi mangrupa babandingan nu ngagambarkeun kaayaan kalakuan jeung kasipatan jelema
  • 3. Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang deui tapi kamari nya leubaran ayeuna pisan kuring neang deui eta saung, saung teh geuning taya obahna ti baheula neupi ka ayeuna istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali jangji nya didinya pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup babareungan tapi, kiwari geuning teu kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan. Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka wahangan leutik di leubah wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha bae anu ngaradon nyeuseuh meuni rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon nyareuseuhan didinya, nya didinya kuringge sok silih simbeuh jeung Iis mun kabeuneran Iis keurnyeuseuh malah peurnah ti gujubar duaan ari kabeuneuran otel kamalinaan nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa bagja pisan. Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum jagong paduduaan jeung Iis teh ari meuleum di campur jeung otel tungtungna jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi bahan pangheureuyan silih doletkeun kana beungeut atuh Iis teh camelong kitu deui kuring , kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh nya campur jeung kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis. Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus jangji da kitu geuning kolot anjeun Iis teu satuju ka kuring pedah kuring jalma nu batan sakieu Heureut Pakeun, nya ku kolot anjeun anjeun di jodokeun ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring lunta ti Lembur rek makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di reubut batur keuna ku paribasa “meuncit meuri dina rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri kupanyakit kabogoh di reubut batur” meni keuna pisan eta sisindiran teh. Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring di angkat jadi guru Sakola Dasar tug neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung indung na barudak. Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta saung bating teu arapaleun eta di jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung Iis geuning suwung teu panggih duka dimana.
  • 4. Carpon nyaeta karya sastra anu direka dina bahasa lancaran kalawan ukuranna pondok biasana eusi caritana nyaritakeun kahirupan manusia sapopoe. Dina carpon aya babasan “Heureut Pakeun” anu hartina “ Saeutik Pangaboga”
  • 5. Assàlamu’alaikum Wr.Wb Bismillàhirohmaanirrohin Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku simkuring dimulyàkeun. Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà. Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos ngalaksanàkeun tina sabagian imàn Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok . lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan. Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola. Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn. Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn
  • 6. Biantara nyaeta nyarita nepikeun atawa ngadadarkeun hiji perkara dihareupeun balarea kalawan make cara jeung tatakrama anu khusus Dina eta biantara aya paribasa “Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” anu hartina “Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna”
  • 7. Jaman baheula, aya awéwé anu kacida bengharna. Rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah ditengah imah. Nyi Endit téh Buntut kasiran sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggul waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lébar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirisorangan gé kahayangnamah ulah. Hiji mangsa, datang aki-aki anu siga langlayeuseun. Eta aki-aki téh pok nyarita ka Nyi Endit, “Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha poé geus teu kararaban sangu”. Ngadéngé lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa karunya, tapi kalah malik ambék. Aki-aki téh diusir sapajodogan. Isukna, éta aki-aki téh geus jol deui, bari ngélingan Nyi Endit sangkan daék tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Tapi haté Nyi Endit angger ngabatu. Sakali deui éta aki-aki nu pikarunyaeun téh diusir sapajodogan. Katilu kalina, aki-aki datang deui. Ayeuna mah ku Nyi Endit téh teu ditungguan lila-lila aya diburuan imahna, langsung diusir. Aki-aki téh carindakdak bakat ku nalangsa. Ceb nanceb iteukna diburuan imah Nyi Endit, tuluy ngaléos indit teuing ka mana.
  • 8. Carita babad nyaeta carita anu eusina ngandung unsur sajarah atau sajarah anu dibumbuan ku unsur carita Dina carita Babad eta teh aya Babasan “Nyi Endit téh Buntut kasiran” harti na teh ““Nyi Endit téh Koret pisan”
  • 9. Assàlamu’alaikum Wr.Wb Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Ciamis anu ku sim kuring dipihormat, Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta : 1. Bubuka 2. Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi 3. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar 4. Nembangkeun Nasyid 5. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola 6. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS 7. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni 8. Bewara forum alumni 9. Do’a 10. Panutup Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin. Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Ciamis di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
  • 10. Pamandu acara nyaeta jalmi anu tugasna salaku pribumi sakaligus pamimpin acara dina jero panggung pamentasan, hiburan, perkawinan, jeng acara acara sarupa Dina pamandu acara teh aya paribasa “bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek” anu harti na “seutik kasalahan menta dihampura”
  • 11. Assalamualaikum Wr.Wb Pamiarsa ,wilujeung patepang deui sareng,Faris Isham Wiryansyah ,dina acara warta sunda.warta anu baris kapindangkeun nya eta: DISPERINDAG KAB.BANDUNG NGAYAKEUN PASAR MURAH. BANDUNG,GWKDisperindag (dinas perindustrian & perdagangan) Kab.Bandung ngayakeun pasar murah Di kompleks perkantoran Pemkab Bandung,Senen(23/8). Dina eta pasar murah , dijual saniskara produk UKM(usaha kecil menengah)Nurutkeun Kadisperindag Kab.Bandung Bambang Budiraharjo,pasar murah ieu ngarupakeun agenda taunan nu bakal dilaksanakeun Disperindag Kab Bandung . Dina pasar murah ieu ,sakabeh produk nu dijual .Hargana leuwih murah dibandingkeun dipasar swalayan atawa swalayan.Pasar murah kacida dipikaresep warga di Kab.Bandung .Saperti taun samemehna ,muterna duit ngahontal Rp 68 juta “peminat pasar murah ieu lolobana masyarakat umum .Persentase ngadongdonna 70% Masyarakat umum jeung 30% PNS”.Pamiarsa,Mung sakitu nu kapihatur,Wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap, Amit mundur amit mungkur Wasalamualaikum Wr.Wb
  • 12. Warta nyaeta informasi anu dipaparkeun dina media elektronik atawa media cetak make basa sunda. Dina warta teh aya paribasa “Amit mundur amit mungkur “ anu makna na pamitan
  • 13.  Wilda Thayyiba  Nadea Amanda  Annisa Fauziah  Rekha Nurani Wijaya  Intan Ratnawati