2. Ti kénca ka katuhu; H. Sumyana Sukandar, H. Dadang Kahmad, H. Gunawan Undang
Daék Robah, Teu Malikan Kasalahan
N
gimeutan léngkah kamari, penting pisan. Tapi,
nu leuwih penting mah nataharkeun léngkah ka
hareup. Intina, daék robah, ogé teu malikan
kasalahan. Pamanggih kitu, saperti ditétélakeun ku H.
Sumyana Sukandar, SE., MM., teureuh Sunda nu jeneng jadi pajabat di Kementerian BUMN. Ceuk inyana,
najan urang Sunda majuna téh lain pangjurung wadiabalad Sunda, saterusna mah, atuh ulah nurutan paripolah nu kurang hadé téa. Hartina, urang Sunda nu
geus maju, najan teu ngarasa dirojong ku urang Sunda,
tetep kudu daék nungtun jeung nuyun urang Sunda
sangkan leuwih maju di tingkat nasional.
Dina nomer ieu, Manglé ogé ngaguar kapamingpinan kiwari. Ceuk Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.,
nu boga karep jadi pamingpin, loba nu teu dibarung ku
rasa tanggung jawab. Kitu téh, balukar cupet mikir
jeung ukur ngalap kauntungan saharitaeun. Ubar pasi-
patan jeung paripolah kawas kitu, di antarana
cenah,kudu ngajadikeun moral agama jadi tatapakan
kahirupan.
Dina séjén bagian, Manglé nomer ieu gé ngungkab
pasualan daérah Jawa Barat. Di dieu mah Manglé
ngolo ngan pamanggih Dr. H. Gunawan Undang,
M.Si., stap ahli DPD RI. Enas-enasna, cenah,
matéahkeun kakawasaan jeung wewenang nu tumali
jeung daérah téh butuh kamampuhan para anggota
DPD anu masagi.
Mitra, nu ditétélakeun di luhur téh, sabagian pasulan nu keur disanghareupan ku urang Sunda kalayan
butuh jalan kaluarna anu jinek. Tina rupa-rupa pasualan tadi, aya gurat anu ngendat, nu ngagambarkeun
butuhna tarékah jinek, daék robah, sarta teu weléh
gedé harepan, geusan nyumponan pancén darma ihtiar.
***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 20
Lalakon Ahir Bulan
5
TAMU
Boni keur ngabaheuhay 'na korsi térlas.
Pikiranana cus-cos ka ditu-ka dieu.
Tanggal kolot. Duit 'na jero lokétna geus
euweuh nu nyelap salambar-lambar
acan.
Pasosoré basa tadi mulang digawé, kalah
disampakkeun budi nu haseum ti Késih,
pamajikanana. Panyakit matuh saban almenak geus nincak tanggal lilikuran...
H. Sumyana Sukandar, SE.,MM.
Najan Euweuh Batur, Sunda Kudu Wani Makalangan
LAPORAN
NU MANEUH
Pamingpin Leungit Karisi
Balukar Poho kana Amanah
........................................................... 8
Ratu Siluman Oray
Andang S. Argayuda ....................... 24
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Alit ....................................... 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
IMPLIK-IMPLIK
CARITA NYAMBUNG
Sahabat Alam
Ngipuk Kasadaran Lingkungan
ti Bubudak
......................................................... 46
Carita Sarebu Samalem (174)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (13)
M.A. Salmun
............................................................. 12
KOLOM
Kuli
Ensa Wiarna ................................... 16
Potret : Reisyan
PURIDING PURINGKAK
S
ekarManglé
Reta Yudistyana
Panata Rias&Raksukan:
HOUSE OF DO’I KEBAYA
Jl. PHH. MUSTOPA NO. 96
CP : 082115276504 –
087825674908,
PIN BB . 28F17AD4
CARITA PONDOK
Basa Bandéra Turun
Ipung Thaifur Abu Yazid ................... 18
Lalakon Ahir Bulan
Erwin Wahyudi .................................. 20
Nu Teu Kungsi Kedal
Nina Rahayu Nadéa .......................... 22
4. Arab
K
akara nembrak ayeuna-ayeuna. Padahal boa meureun ti
béh dituna gé mémang geus
kitu. AS, sakumaha biasana, ngajakan balad-baladna nu araya di
Éropah, pikeun ngarempug Suriah.
Alesanana, pamaréntahan Bassar al
Assad geus ngagunakeun senjata
kimia dina numpes rayatna anu
baruntak.
Éta téh kakara kahayang
Obamana cenah. Tacan aya ari
kasaluyuan ti Kongrés mah. Di Inggris gé, waktu pangajak Washington
téa ku PM David Cameron diasongkeun ka parlemén, ditolak. Geus
puguheun ari Rusia mah. Ceuk
Putin, lamun Obama keukeuh
nyerbu ka Suriah, Moskow bakal
milu nyanghareupanana. Kitu deui
PBB. Teu meunang aya pasukan
gabungan internasional anu nyerang ka Suriah lamun euweuh idin
ti PBB.
Sabot kitu, Menlu AS sorangan
anu buka rasiah. Cenah sagemblengna kahayang Washington arék
nyerang ka Suriah téh, tapi dihatéan
ku sababaraha nagara Arab. Lain
ngan sakadar ngahatéan, malah
jeung nyanggupan mayar ongkos
perangna sagala, cenah.
Keur anu teu nyaho di hitut bau
mah atuh nya puguh matak reuwas.
Kutan nagara-nagara Arabna sorangan nya anu arék ngabayuan perang
téh? Teu mustahil bisa enya bisa bohong éta béja téh. Dina enyana nya
meujeuhna. Dina bohongna nya
pantes.
Manglé 2443
Lamun malikan deui kajadian ka
tukang-tukang, apan teu jauh-jauh
teuing. Waktu Iran nu tadina karajaan terus robah jadi Republik Islam
Iran, apan teu diengkékeun deui
langsung diperangan ku Irak. Harita
mah Saddam Hussein aya kénéh.
Lain sabulan dua bulan deuih
perangna téh, aya kana dalapan
taunna. Naon tujuan Saddam Hussein merangan tatanggana sorangan
anu keur léléngkah halu, jeung naon
sababna anu matak éta perang
ahirna dieureunan, asa teu kungsi
aya alesan anu pantes. Malah kalah
jadi pabeulit.
Saddam Hussein téh kacaturkeun
dua kali merangan tatanggana.
Salian ti Iran, Kuwait deuih anu diserbu ku tentarana téh. Nu jadi
alesanana sajarah kabaheulaan.
Cenah baheulana mah Kuwait téh
kabawah ka Irak. Nu matak arék
disina ngahiji deui. Orokaya teu kahontal, lantaran Kuwait dibantuan
ku AS jeung Arab Saudi. Malah tentara AS anu nyanghareupan pasukan
Irak gé, muka pangkalanana téh di
wilayah Arab Saudi.
Peran AS, jeung balad-baladna nu
araya di Éropah, di wilayah Arab
jeung Timur Tengah umumna, kawilang dominan. Nya maranéhna anu
milu nangtukeun sagala rupana.
Komo ayeuna, sanggeus nagaranagara Arab nu aya di Afrika terus
dirorojok sangkan baruntak nepi ka
nu nyekel kakawasaan di Tunisia,
Libya jeung Mesir, diruntag-runtagkeun. Nu keur dihanca ayeuna
Suriah. Ngan di dieu mah kabuktian
teu pati gampang. Sanajan riributan
geus lumangsung mulan-malén sarta
korbanna gé geus kacida lobana, tapi
Bassar al-Assad angger tagen.
Sigana, saha baé anu jadi
presidénna, moal waka ngarasa sugema Washington téh lamun sakuliah
Arab tacan gembleng nurut kana kahayangna.
Padahal,
sanggeus
lumangsung puluhan taun lilana, nu
bukti mah kalah ngacak-ngacak di
mana-mana. Kaayaan di Irak jeung
di Afganistan, nepi ka kiwari masih
kénéh harénghéng. Padahal di dinya
téh geus aya pamaréntahan anu
resmi. Kitu deui di Libya jeung di
Mesir.
Sigana mah ku Washingtonna gé
mémang dihaja disina kitu. Ulah aya
anu pamaréntahanana stabil. Lantaran ari Washington mah mémang
geus guratna kitu, mantuan saha
waé. Waktu Afganistan masih kénéh
komunis, anu ngalawan ka pamaréntah anu dibantuan bro-broan téh.
Tapi sanggeus komunisna runtag
sarta di dinya ngadeg pamaréntahan
anu islami, ku Washington henteu
dirojong, nepi ka Taliban jadina
saperti ayeuna.
Di Irak gé satalén tilu baru. Ayeuna ditambah deui ku Mesir, Libya
jeung Suriah. Komo deui lamun
bener dibobotohan jeung diongkosan
ku nagara-nagara Arabna sorangan.
Lamun nagara-nagara di Timur Tengah
minyakna
geus
béak,
kaayaanana tetep kucrut, sigana
kakara AS jeung balad-baladna bakal
sugema. AM
3
6. H. Sumyana Sukandar, SE.,MM.
Najan Euweuh Batur
Sunda Kudu Wani Makalangan
Urang Sunda kudu gedé kawani.
Ludeung makalangan di mana waé
najan euweuh batur. Kitu di antarana
jejer
obrolan
Manglé
jeung
H.
Sumyana Sukandar, SE.,MM., Asisten
Deputi (Asdep) Kementerian BUMN,
basa ngawangkong jeung Manglé
sawatara waktu ka tukang.
***
U
rang
Sunda
nu
makalangan di tingkat
nasional, mémang teu
réa. Tapi, cenah, najan saeutik
ajénna mah teu bisa dileuleungit. Atuh, najan arang gé tetep
baris loba mangpaatna keur
lemburna sorangan. “Najan
jenengna di luhur lain lantaran
pangrojong pihak séjén, tetep
dina geus anegléng di luhur
mah kudu daék mawa dulurdulurna nu asalna ti lembur
sorangan,” ceuk H. Sumyana Sukandar muka obrolan.
Ngawangkong téh di salah sahiji
tempat di Jalan Ir. H. Juanda, Bandung, sawatara poé ka tukang. Ngobrol pabeubeurang wanci haneut
moyan, da ieu pajabat di BUMN téh
keur ngumpul jeung babaturan
saalumnina maheutkeun léngkah
organisasi Ikaan Keluarga Alumni
(IKA ) Fakultas Ekonomi, Universitas Pasundan (Unpas), Bandung.
Arangna urang Sunda geusan jadi
batur sasaéngan, hayang némbongkeun kasundaan di lingkungan tempat gawéna gé teu gampang.
Contona, upama batur mah bariasa
naker nyarita ku basa indungna,
urang Sunda mah jarang naker. Kitu-
Manglé 2443
na téh, lain teu hayang nyarita ku
basa Sunda, tapi batur teu ngalartieun, sakalieun maksakeun nyarita
basa Sunda ka nu séjén, nu diajak
nyarita téh pungak-pinguk.
Lain Jago Kandang
Makalangan di tingkat nasional,
gaulna gé jeung rupa-rupa sélér
bangsa. Di dinya, masing-masing
pribadi kudu némbongkeun kamampuhanana. Nu pangpentingna, ceuk
Sumyana, ajén-inajén diri. “Lain ukur
gaduh kamampuhan tapi ogé tiasa
ngayakinkeun pihak séjén yén diri
urang gaduh kamampuhan. Cindekna mah kédah masagi,” ceuk ieu
teureuh Bandung téh.
Ieu Ketua IKA téh ngahaja datang
ka Bandung, da dina lolongkrang
kariweuhanana
diperedih
sina
nyumangetan mahasiswa anyar FE
Unpas. Intina, cenah, ningkatkeun
ajén diri sangkan kamampuhan téh
mangpaat keur balaréa.
Bekel makalangan di tingkat
nasional, ceuk ieu Alumni Unpas
mah, urang Sunda gé moal nguyang
ka batur. Bekel élmu da loba nu
sakola luhur. Atuh, bekel pasipatan
nu asalna tina budaya ogé teu kurang-kurang. Ceuk inyana mah,
kekecapan silihasah, silihasuh, silihasih, jeung silihwawangi, kudu jadi
tatapakan
jeung
panyundut
sumanget yén urang Sunda boga kamampuhan jeung pasipatan hadé.
“Urang Sunda gé kedah nyeungitan
boh lingkunganana boh dulur-dulur
sasélérna,” pokna. Da, cenah, hadéna
pasipatan urang Sunda gé bakal
mawa mangpaat keur urang Sunda
séjénna. Sabalikna, deuih paripolah
jeung kalakuan nu kurang hadé, baris
mamawa ka nu séjén.
Némbongkeun kamampuhan diri,
ceuk Sumyana, kacida pentingna. Da,
goong nabeuh manéh, mémang penting dina nanjeurkeun kamampuhan
diri mah. Hartina, kamampuhan téh
5
7. kudu dipolés jeung dipulas sarta
saterusna ditémbongkeun ka batur.
Kamampuhan kitu, ceuk ieu anak
bungsu ti sapuluh sadulur mah, kudu
ditarékahan atawa diihtiaran. Da,
najan loba nu nuyun, loba nu ngajurung, ahirna mah bakal balik deui
kana kamampuhan diri pribadi. “Nu
écés, urang mah darma ihtiar,” ceuk
ieu Dewan Komisaris PT Asuransi
Jiwasraya teh.
Geusan meunang kapercayaan
ngalaksanakeun tugas, lian ti boga
kamampuhan jeung hadé gawé téh,
nu teu éléh pentingna mah kajujuran.
Cenah, sakumaha pinterna, tetep
kudu madoman kana kereteg haté.
Kajujuran batin nu tara beunang dibobodo, kudu jadi cecekelan dina
ngalaksanakeun amanah. Komo deui,
cenah, nu tumali jeung ‘keuangan’,
lian ti kudu bener catetanana atawa
‘pembukuananana’, nu pangpenting
mah kajujuranana. “Catetan mah
tiasa dirugal-rigel, tapi kajujuran
moal tiasa dibobodo,” pokna.
Upama H. Sumyana boga pamadegan kitu, mémang teu leupas tina
atikan sepuhna. Ramana, guru nu
ogé panulis, teu weléh mapatahan
para putrana, sangkan kajujuran
jeung tanggung jawab téh jadi nomer
hiji. “Tujuan ahir mah apan urang téh
salamet di dunya jeung ahérat, atuh
dina nyorang kahirupan gé kedah
husnul hotimah,” pokna.
Sikepna nu kawas kitu, satékah
polah dilarapkeun dina kahirupan
sapopoé. Najan kaasup pajabat
luhur, nu ka mana-mana samistina
dikukuntit ku ajudan, dirina mah
teu kitu. Malah, ieu pajabat di
BUMN teh boga anggapan, pamingpin mah lain kudu diméménan, tapi
sabalikna kudu ngalayanan kabutuh
bawahanana. “Sanés hoyong dibéré
tapi kedah méré-mawéh,” ceuk ieu
teureuh Sunda nu lahir taun 1964
teh.
Pasipatan kitu ogé, diupayakeun
jadi pamager dirina. Da, cenah,
ngagugu kahayang mah moal aya
anggeusna. Ngan, ieu urang Bandung
kalahiran taun 1964 mah, yakin,
upama hak-hak pribadina teu lebar
dibikeun ka nu séjén, atuh taya alesan upama dirina mikahayang nu lain
hakna.
Sareng kulawarga
6
Nyumangetan urang Sunda makalangan di tingkat nasional
Nu di luhur kudu nyaah ka lembur
8. Meunang Peurah
Dipercaya ngurus 14 BUMN, keur
dirina mah, kapercayaan nu misti dilaksanakeun kalayan kajujuran. Kitu
téh, wujud rasa sukur tina pilihan
profésina. Da, pilihan kitu, horéng
mawa barokah. Enya, apan satutas
lulus jadi sarjana ti Unpas, teu lila,
kabiruyunagn ku milik, bisa cekel
gawé di bank, nu keur sabagian jalma
mah jadi pakasaban nu diimpikeunana. Tapi, dirina mah teu weléh guligah, lantaran teu ngarasa tingtrim
digawé di tempat saperti kitu mah.
Ahirna, milih kaluar sarta ngalamar
di tempat séjén.
Taun 1991, inyana katarima cekel
gawé di Departemen Keuangan.
Pagawéanana, ukur ngurus data nu
mémang matak bosen. Dina kaayaan
kitu, sakapeung mah ngarasa
disapirakeun ku nu séjén. Da,
babaturanana mah, umumna lulusan
universitas sohor, atuh pangajén ka
maranéhna téh leuwih ti ka Sumyana.
Tapi, kahoréam ngurus data kawas
kitu, sarta ‘kapeurih’ lantaran
ngarasa dibéda-béda, ahirna mah
jadi kakuatan hayang némbongkeun
kamampuhan. Inyana remen maksakeun datang ka kantor pangawalna
balik pangpandeurina. Horéng
kabiasaan kitu téh jadi cukang lantaran deukeut jeung atasanana.
Hiji waktu, pasosoré, atasanana
téh kekeleyengan néangan stapna
nu sina ngalaksanakeun pagawéan.
Ngan, da geus soré geus wanci
bubar kantor, atuh nu ditéangan
téh suwung. Ngan, waktu nempo
aya Sumyana masih kénéh nga dekleuk dina méjana, atasan téh
nyalukan, nu saterusna ménta bantuan mangréngsékeun pancén
atasan téa.
Dina ngalaksanakeun pagawé an, Sumyana boga tujuan, hayang
némbongkeun kamampuhan yén
dirina mampuh ngalaksanakeun
pagawéan leuwih hadé batan nu
séjén.
Karepna,
kitu
téh
ditémbong keun waktu atasanana
ménta bantuan téa. Ahirna, najan
migawé lain bagianana, jeung éta
téh pagawéan nu biasa dipigawé
ku pagawé séjén lulusan paguron
luhur petingan, hasil pagawéan
Sumyana nu ngan ukur ‘nyelangan’
hasilna mah, lain lulumayanan.
Cindekna, atasanana téh ngarasa
Manglé 2443
Modal kamajuan kudu silihrojong
sugemaeun pisan.
Kamampuhan kawas kitu, ahirna
mah jadi ‘tarajé’ nincak hambalan
jabatan nu leuwih luhur. Sababaraha
kali inyana ngaliwatan pagawé
séjénna. Kitu téh, taya lian ti kamampuhan jeung kapercayaan atasan ka
dirina.
Dina ngalaksanakeun tugas,
Sumyana mah, teu bisa ukur jadi
buntut. Teu ngarasa sugema mun
ukur sumuhun dawuh. Ceuk pikirna,
dina lingkungan nu ‘normal’, dirina
teu nanaon dianggap ‘gélo’. Atuh,
sabalikna, dina lingkungan ‘nu gélo’
inyana mah kudu waras. Larapna,
dina kahirupan pangpangna mah
dina lingkungan gawé, Sumyana tara
ukur ngahaminan atasan. Remen
dirina ngadu pamanggih jeung
atasanana. “Tantos disarengan argumén dumasar kana élmuna,” ceuk ieu
pajabat BUMN nu keur mahasiswa
aktip di BPM téh.
Keur dirina, jujur téh tatapakan
ngalaksanakeun pancén gawé. Ku kajujuran, dirina teu hariwang ‘nyimpang’ tina aturan. Lantaran, salila
jujur hartina, tigin kana aturan. “Kajujuran tiasa ngahudang kawani!”
pokna tandes.
Jujur jeung ati-ati, teu weléh jadi
cecekelanana. Dirina mah, teu weléh
boga saku dua. Kitu téh, lain curigaan
jeung nyuriga ka batur, tapi titih rintih, bisi nu teu sapira téh jadi mamala. Kituna téh, malum, jabatan nu
diembanna gé gampang pisan dimangpaatkeun pihak séjén. Ku lan-
taran kitu, Sumyana mah, teu sagawayah nganteur karesep, kaasup
ngurangan karesepna maén golf, lantaran hariwang dina kagiatan kitu téh
jadi lolongkrang pihak séjén ngamangpaatkeun jabatan dirina.
Kasalametan Kulawarga
Luhurna jabatan, teu matak poho
ka pamiangan. Indit jeung balik téh ti
kulawarga. Pangjurung bojo jeung
barudak, jadi kaludeung jeung pager
diri sangkan tetep éling kana purwadaksi. “Tangtos kulawarga ogé bagian
kahirupan anu utama,” ceuk ieu
carogé Ausa, wanoja teureuh Lahat,
Palémbang téh.
Dina ngawangun rumah tangga,
inyana nyonto sepuhna. Apan, ibuna
ogé tigin ngurus rumah tangga, lain
wanita karir. Atuh, garwa Sumyana
gé ibu rumah tangga nu sapopoéna
ngurus barudak. Barudakna, tiluan,
ceuk Sumyana kudu tetep ngarasa
deukeut jeung kolotna. Atuh, tujuanana nyiar kipayah gé, apan geusan
kabajgaan jeung kasalametan kulawarga.
Tumali jeung almamnterna,
Sumyana gé boga tékad, hayang
leuwih ngamajukeun éta aguron
luhur. Di antarana ku kasadiaan
dirina jadi Ketua Ikatan Keluarga
Alumni FE Unpas. “Urang sunda
kudu leuwih maju, mun nu geus
maju kudu daék nungtun nu di handap, najan upama téa mah majuna
dirina téh ukur cecelengcengan,”
pokna. *** (Ensa/Nay)
7
9. Pamingpin Leungit Karisi
Balukar Poho kana Amanah
Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.
Loba nu hayang jadi pamingpin. Padahal, loba conto manten
pamingpin téh, tinemu bahla.
Jabatanana,
ahirna
mah
nganteurkeun dirina ngaringkuk
di pangbérokan.
***
8
B
euki dieu nu harayang jadi
pamingpin téh beuki loba.
Jabatan naon waé nu
merelukeun pangdeudeul rahayat,
teu weléh jadi inceran. Atuh, ruparupa tarékah ngirut haté rayat
sangkan ngarojong dirina jadi
pamingpin teu weléh ditarékahan.
“Karep
janten
pamingpin,
sakedahna didadasaran ku kamampuhan sareng kamaslahatan,” ceuk
Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.,
Direktur Pascasarjana UIN Sunan
Gunung Djati, Bandung.
Naon waé pakarepan, ceuk ieu
ahli Sosiologi Agama téh, raket
tumalina udagan nu hayang
dihontalna. Léngkah-léngkah jueng
paripolah hirupna, gambaran tina
pamahahan si éta jalan kana
kahirupan. “Dina agama mah,
totorosol hayang janten pamingpin
téh dipahing pisan!” pokna tandes.
Kitu téh, lantaran ceuk tilikan
agama, naon waé nu dipilampah di
dunya baris aya balukarna di
ahérat. Hartina, sagala rupa paripolah jeung kalakuan di dunya baris
jadi tanggung jawabna dina mangsa
kahirupan jaga. Dadasar kahirupan
kawas kitu mistina mah jadi pamatri pribadi masing-masing dina
nangtukeun paripolah kaasup
pancén gawéna samangsa kumelip
di alam dunya.
Ceuk tilikan Prof. Dadang, mémang beuki dieu téh nu hayang jadi
pamingpin beuki loba. Prah deuih
dina saban tingkatan. Contona,
apan dina usum ‘nyaleg’ boh di
tingkat nasional, propinsi, ogé
kabupaten/kota, teu weléh kasindeuhan ku jalma-jalma nu boga
pakarepan jadi wawakil rahayat.
“Katingalna, pamianganna téh mun
ukur neueul kana kahayang, sanés
kamampuhan,” pokna, Cohagna
mah, loba nu boga pakarepan kitu,
kalayan teu ngukur ka kujur!
Kaolo Pangbibita
Guluburna kahirupan, teu weléh
jadi daya pangirut. Pagolo jeung
pangbibita nampeu tur nembrak di
mana-mana. Ku lantaran kitu,
sasaha gé bisa kagoda jeung kabobodo ténjo. “Apan sasaha gé hoyong senang alim sesah,” pokna.
Manglé 2443
10. Nu tumali jeung pangabutuh
hirup ogé apan hayang sarwa gampang, sarwa cukup. Atuh, dina
nyumponan pangabutuh téa, teu
sing anéh upama ahirna mah loba
nu ninggang kana babasan tunggul
dirarud catang dirumpak, dapon
hasil maksud jeung laksana kahayang. Nu kawas kitu, ceuk ieu
Guru Besar UIN mah, ngabalukarkeun lunturna sikep ati-ati
masarakat.
Pakarepan nu jadi pamingpin
meunang ‘wadah’ dina pakalangan
démokrasi. Apan, éta kecap téh
méré lolongkrang pikeun ngumbar
kahayang. Nganteur karep jeung
kahayang, nepikeun sora jeung
patékadan, boga tempat dina
démokrasi. “Namung saleresna
démokrasi gé teu tuna tina
pasaratan,” pokna. Hartina, cenah,
Pamingpin kudu ngaheulakeun tanggung jawab
jeung titih rintih dina nyumponan
kahayang téa.
Panggoda nu tumali jeung
haliah dunya, mémang kacida kuatna. Da, ukuran kasugemaan mah
moal aya ukuran jeung tungtungna.
Mun geus boga sajeungkal, hayang
sadeupa, mun geus boga sadeupa,
bakal hayang leuwih ti kitu. “Antukna, nya sagala tarékah keur
nyumponan kahayang moal weléh
dilakonan,” pokna.
Lian ti éta, kabutuh hirup gé
raket tumalina jeung ‘pangajén’.
Leuwih loba harta leuwih diajénan.
Ngan, masarakat gé loba nu tara
masualkeun éta asal-usul harta.
Sipat-sipat ‘permisif’ kawas kitu,
ogé bisa nyuburkeun paripolah nu
leuwih mentingkeun kadunyaan.
Mahabna pasipatan kawas kitu,
kagambar dina paripolah nu babari
‘ngamaphum’ kana paripolah nu
salah. Apan, nu kungsi kabaud kana
korupsi, misalna, teu weléh pada
ngabagéakeun, saolah-olah, kasalahan kitu téh kamaphum ku
Manglé 2443
sagala rupa paripolah jeung
kalakuan nu ‘ngatasnamakeun’
démokrasi, kudu kaukur kalayan
puguh titincakanana. Lian ti kitu
deuih,
dina
némbongkeun
démokrasi ogé kudu dituturkeun ku
tanggung jawab nu sacara jujur nu
jolna tina ati sanubari. Kitu ceuk ieu
Doktor Sosiologi lulusan Universitas Padjadajaran (Unpad) Bandung
téh.
Upama ngahontal udagan demi
tujuan,
bisa
ngabalukarkeun
mamala. Kituna téh, lain ukur
démokrasi teu séhat, tapi deuih
dina dangka panjang mah, ngaruksak pasipatan ‘hadé’ balaréa. Nu
témbong kiwari, ceuk Prof. Dadang
mah, nembrak, masarakat gé, dina
milih pamingpin téh loba nu ukur
dumasar kana nu karasa saharitaeun. “Apan, umumna mah, ukur
kauntungan saharitaeun, teu panjang mikir ka hareupna,” pokna.
Napak kana Agama
Aturan hirup, mémang loba
rupana, kaasup agama. Atuh,
sawadina, agama téh jadi tuturus
hirup manusa dina nyorang ruparupa kaayaan. “Agama sanés ukur
hubungan
manusa
sareng
Pangeran na, tapi ogé tatanan
moral,” pokna.
Dina implengan ieu pangurus
PP Muhammadiyah, sawadina
agama téh jadi pamager pari polah. Ngan, cenah mémang
Butuh tarékah ngalarapkeun moral agama
deuih, sasaha gé bisa meungpeun
carang. Najan teu ngahaja
ngalelekan jeung niténan, moal
burung témbrés tur écés, horéng
nu kasebutna paham kana
agama na gé dina émprona mah,
teu leupas tina pangbibita
kasena ngan dunya. Buktina,
apan teu jarang ogé nu ahirna
kabaud kana pasualan korupsi.
Ku
lantaran
kitu,
cenah,
pangama lan agama, teu cukup ku
ibadah-ibadah
transédéntal
jeung dikir, tapi ogé kudu leuwih
ngantebkeun deui ahlak jeung
moralna.
Dina nyanghareupan kaayaan
kitu, Prof. Dadang teu weléh
ngagedurkeun harepan. “Pari polah bisa dirobah!” pokna
tandes. Moral bangsa deungeun,
ahirn mah bisa alus. Kituna téh,
lantaran aya tarékah ngarobahna
anu daria. “Urang gé tangtos
tiasa,” pokna neundeun hare pan.***
(Ensa/RH)
9
11. Bagian
174
Peuting ka-194
Waktu kapal rék nepi
ka nu dituju, hiuk angin
nebak éta kapal. Beuki
lila, angin beuki gedé nu
ngalantarankeun ombak
gé beuki gede. Kapal
oléng nu tarumpakna
geumpeur. Loba nu
jlung-jjeng ka laut nu
angkananana mah rék
ngojay ka darat.
Sadar kana kaayaan
nu kawas kitu, Marwazan gé gancang muru
lawang. Gejebur luncat
ka laut sarta satékah
polah ngojay. Leungeunna ngopépang néangan
pamuntangan bari
sakapeung kekererelepan. Untungna, aya kai
nu bisa dipaké pamuntangan. Manéhna
tipepereket nangkeup
kana éta kai nu saterusna
mah angkleung-angkleungan.
Les Marwazan teu
inget di bumi alam.
10
Ngangkleung ka bawa
ombak ka sisi laut nu
kabeneran ka tempat nu
rék ditujuna. Dina
kaayaan teu inget, éta
nonoman téh ahirna mah
ngajoprak dina kikisik.
Kacatur Raja Syahraman, bingung nu teu
manggih tungtung.
Rupa-rupa tarékah kateug. Sakur tabih jeung
ahli ngubaran taya nu
mampuh ngubaran
Komarujaman. Antukna,
saban poé teh raja ukur
nyalahkeun mantrina nu
dianggapna jadi cukang
lantaran anakna gering
pikir.
Dina hiji waktu,
saperti biasa, raja ngondang mantri jeung balad
kadeuheusna barempug.
Lian ti nyaritakeun
kanagaraan, ogé angger
ngabadamikeun cara
ngubaran anakna.
Ari tempat nu dipake
gempungan, nyanghareup ka laut. Atuh,
basa Marwazan ngangkleung di sisi basisir,
katempoeun pisan ku
salahsaurang mantri
karajaan. Pok wéh éta
mantri téh nyarita ka
raja, ménta idin rék
ninggalkeun éta tempat,
rék nulungan nu kaséréd
ombak.
Sanggeus raja ngidinan, mantri gagancangan
ka basisir. Tétéla nu
kaséréd ombak téh geus
teu walakaya, ngan kaciri
hirup kénéh, tembong
renghapna.
“Hé ki silah!” Mantri
ngaguyah-guyah éta
nonoman. Ngan, da
puguh keur kapiuhan,
diguyah-guyah gé angger
wé teu lilir.
Mantri ngahanjatkeun Marwazan.
Didiukeun bari sirahna
digeubig-geubig. Ku cara
kitu, Marwazan téh lilir
tina kapiuhanana.
“Di mana ieu téh?”
Pok nu ditanya
nembalan, yén éta téh
aya di wewengkon
kakawasaan Raja Syahraman. Ngadéngé kitu,
nu nanya atoh. Hartina,
lalampahanana téh nepi
ka nu dituju.
“Kaula ayeuna bisa
nulungan andika, tapi
kula sorangan teuing
isuk teuing pagéto bakal
nandangan hukuman
mati,” ceuk mantri.
“Har naha kunaon
pangna kitu?”
Gorolang mantri
nyaritakeun kajadian nu
tumiba ka anak raja.
Ditéték sagala rupana.
Cindekna, putra raja téh
keur gering parna
balukar kagegeringan ku
wanoja nu teuing di
mana ayana. Mun di
sebut aya, da taya nu
apaleun di mana éta
ayana. Tapi, mun nganggap Komarujaman ukur
ngimpi, da aya bukti, ali
awéwé nu cenah dicokot
ku manéhna dina hiji
peuting tilu taun ka
tukang.
“Ayeuna raja keur
néangan nu bisa
ngubaran. Ganjaranana
lain lulumayanan mun
bisa nyageurkeun putrana. Tapi, hukumanana gé
Manglé 2443
12. beurat kacida, lantaran
bisa-bisa ilang nyawa, dihukum mati!”
“Nya urang coba wé
atuh!”
“Kula moal tega
ningali anjeun nemahan
pati,” ceuk mantri.
Saterusna éta mantri
téh cacarita. Intina mah
ngidinan éta nonoman
ngubaran Komarujaman.
Ngan, mun geus réngsé
ngubaran, rék sina ngalolos ti éta tempat lantaran bisi teu hasil
kalayan ahirna nemahan
pati dihukum ku raja.
Marwajan meureutan
heula papakéanana. Rap
deui dipaké. Geus kitu
mah, ngiclik nuturkeun
mantri muru tempat
gempungan. Ti dinya
lalampahanana
diteruskeun deui ka tempat Komarujaman. Kituna téh sanggeus diidinan
ku raja.
Sajeronong lumampah, Marwazan mikir
uleng naker. Ras ka
dulurna nu keur gering.
Ceuk pikirna, nu kaalaman ku dulurna téh
sarua jeung nu kalaman
ku Komaruzaman. Memang, teu matak kaharti,
tapi kitu kanyataanana.
Peuting ka198
Sadatangan ka tempat
Komarujaman, nonoman
nu anyar datang téh gancang nyolongkrong ngajak sasalaman.
Komarumajan males
nyodorkeun leungeunna.
Kakara kitu gé keur Marwazan mah yakin, éta pamuda téh teu sing siwah.
Sajongjongan, Marwazan melong éta putra
raja. Ceuk pikirna, kurup
pisan mun éta lalaki ngajodo jeung dulurna.
Paingan, Putri Budur nu
asalna tara ngaharegaan
lalaki, bet ahirna mah
teu bisa nyumputkeun
Manglé 2443
semuna, nepi ka kawas
nu siwah bakating ku
kabungbulengan ku
lalaki.
Inget kana kaayaan
dulurna, Marwazan téh
ngahaleuangkeun sair.
Eusina ngagambarkeun
nu keur kabungbulengan. Atuh, puguh wé
Komaruzaman téh asa
kahibur, lantaran nya
kitu pisan kaayaan haté
manéhna téh.
Rengse Marwazan
ngahaleuangkeun sair,
paroman Komarujaman
berag marahmay. Sidik
keur kitu mah, manéhna
téh teu sing gering. Da,
mun tembong lungsé
jeung haropak téh, ukur
pangaruh pipikiranana.
Geus hatena janglar
mah, teu sing
pikawatireun.
Komarujaman
saterusna males sair ki
semah. Estu netes kekcapanan téh. Eusina
ngambarkeun katresna
haté lalaki ka nu
dipicangcamna. Pangaruhna, haté Komarujaman téh beuki
longsong.
Nagdéngé nu ngahaleuang nu taya lian ti
sora anakna, raja kacida
bungahna. Saterusna,
raja gé ngadeukeutan ki
semah, sarta nanyakeun
asal ususlna.
Nu ditanya ngajawab
kalayan satarabasna.
Ngan, ari pangna datang
ka dinya mah teu
dicaritakeun sagem-
blengan. Ukur keur
nyaba ka tempat séjén,
nu kabeneran nyimpang
ka dinya lantaran
kasered ombak.
“Mudah-mudahan
anak kula cageur deui!”
ceuk aja.
“Inya Alloh moal sawios-wios,” walonna.
Marwazan
ngadeukeutan Komarujaman. Manéhna ngaharewos, nététalakeun
wanoja nu dipicangcamna gé sarua keur
nandangan rasa nu
sarua. Ngadéngé caritaan
kitu, Komarujaman bungah kacida. Paromana
marahmay sorot
panonna gé nembongkeun harepan. ***
(Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 13 }
L
ampah serong jeung
doraka sanajan dibuni-buni awal ahirna
mah katohyan sabab mungguh maha suci anu mahaningali tara ngantep nu teu
jujur anu datang mangsana
yén kudu kacingcirihi moal
beunang dipindingan bénteng wayah.
Geus karuhun saayana
daya Usman kakeupeul mah
ku Nyi Piah éta buaya
awéwéna téh dina sandiwarana ngarobah lagu-laguna. Omongana jadi leuleuy,
tandangna maké deui
rengkuh, pokna: “Tah gamparan supados jadi luang,
sing jadi pangajaran, yén
somah atanapi cacah ogé ari
parantos teu kawawaeun
mah geuning témbong
hoyahna, ceuk paripaos:
sireum gé ditincak-tincak
teuing mah ngégél.
Éta nembé tandang hiji
Rapiah kahiji Usman.
Upami seug saayana somah
nu kanyenyerian ngajeng
tandang kasaayaanana
ménak nu nganyenyeri,
balukarna kawas-kawas
moal kirang parna batan
12
bitu gunung sapuluh caah
sagara sabelas, matak tibalik
lemah. Sawangsulna, ka
ménak nu towéksa tur bijaksana nu enya béla ka rahayat, rahayat ogé tangtos
pati jiwa raga ngabélaan éta
ménak bageur.
Abdi wantun ngadamel
tandatangan yén somah anu
kabeuli haténa ku ménak
bageur, parantos teu ngétang untung-rugi, dalah
nyawana disadiakeun
kanggo ngabélaan ménak
anu asih ka manéhna.
Ayeuna, sapertos gamparan ka diri abdi sareng ka
pun Kusén! Cobi digalih
mangka waspaos. Naon
dosana pun Kusen téh gamparan? Bojona ditaragal direbut, jalmana awahing ku
séép-séép kanyerian, ari
ngalawan teu wantun, dugi
ka antukna nyandang ranté,
dikendangkeun ka
Surabaya.
Éta téh pokona mah alatan ti salira gamparan.
Ananinggang di diri abdi,
kenging tibuburanjat ngiwat, abdi dibélaan pirak ti
salaki nu sakitu nyaaheun-
ana, dibélaan béngkah
sareng baraya duméh tumut
ka gamparan, ari parantos
bet didamel sapertos ka pais
poho. Jabi disééh dilindih,
didongkapan gé ku gamparan sahayuna: ngabayuanngabalanjaan sakaémutna.
Ari ditaros ku abdi, naha
peta kitu téh adil, gamparan
kalah balucat-balicet,
nawiskeun pameget leutik
burih, ménak béjad, teu
kersa tanggel jawab kana
padamelan ku anjeun.
Ayeuna gamparan
uninga, yén pati hirup
sareng rasiah-rasiah gamparan parantos aya dina
dampal leungeun abdi. Cobi
ayeuna gamparan badé
kumaha?”
Dibawa leuleuy kitu,
Aom Usman asa nungtutan
pulih deui pangacianana;
pokna ngawalon: “Nya
bener Piah, sanggeus
ngadéngé omongan Nyai
kitu mah, ku Akang ogé
kapikir. Ayeuna geus kieu
jadina: Ari Akang mah
paménta téh sarupa; Pacuan
betus rahasiah jeung ulah
babangkitan bab Akang
nandonkeun ieu imah katut
pakarangan ka Ama Haji;
Mana teuing ibu-ama Akang
benduna. Enya ari geus di-
hibahkeun téa mah ka
Akang, tapi ari kadangueun
yén ku Akang diperolkeun
mah, geuraheun teuing.”
Nyi Rapiah: “Ari abdi
mah teu seueur nu diteda,
mung gamparan papadaning ngawayuh téh kedah
adil, boh dina kilir, boh dina
ngabalanjaan hoyong sing
kantenan. Abdi teu badé
nyuhunkeun bumi nu dilinggihan ku Agan, hawatos bilih
kagungan diturunkeun
harkat. Sawios abdi mah
rorompok ieu waé. Dina
kilir, sanajan abdi nu kolot
sawios badé ngéléhan
manéh waé. Di abdi tilu
wengi, di Agan opat wengi,
dipunjulan sawengi. Di abdi,
wengi sareng dinten Jumaah, Sabtu, Minggu, sajabina
mangga di Agan. Dina ngabalanjaan, mangga saayana
kauntungan ti sisi ti gigir
haturan Agan, abdi mah teu
hayang rejeki kenging salimud, nanging artos gajih
saayana kaabdikeun.”
Aom Usman sajongjonan
ngahuleng; kacipta beuratna
nyumponan jangji téh, tapi
karasana adilna.
Cengkat bari neuteup
Nyi Rapiah: “Adilna mah
adil jangji téh, tapi bingung
ménta ombérna ka Agan,
Manglé 2443
14. jeung kawasna Agan moal
kersaeun.”
Nyi Rapiah rikat nempas: “Éta mah sanés tanggelan abdi. Abdi mah teu
kirang teu langkung. Jabi ti
nyuhunkeun hak abdi nu
sah, anu saadilna. Naha urusan kitu dianggo éwad, ari
maling pamajikan pun
Kusén dianggo gampil.”
Aom geus kapeupeuh
deui waé. Ngarénghap bari
nanya: “Kumaha upamana
Akang dina hiji waktu teu
bisa nyumponan jangji?”
Nyi Rapiah seuri, ngandung harti: “Éta mah hartosna gamparan nimbalan
ka abdi, supados abdi unjukan ka bupati, sareng supados abdi ngawartosan pun
roda.”
Si Roda ngaburileng
panonna, bari nambalan:
“Enya, da Cikapundung ogé
sataun sakali mah kudu
dibéré susuguh, peupeuncitan suku dua!” ngomongna
kitu bari maut huntu bedog
kawas sieun kurang seukeut.
Awahing ku kitu kieu
kapeupeuh, sagala omongan
geus mojok, ku bisa-bisana
Nyi Rapiah maén sandiwara,
Aom Usan kapaksa nyieun
Surat Perjanjian dina segel
sakumaha nu diwurukeun
ku Luih ka Nyi Rapiah, eusi
segel:
Jangji Aom bab kilir
jeung bab ngabalanjaan.
Anu jadi tanda; lamun Aom
Usman teu bisa nyumponan
jangji, sarta Nyi Rapiah
ngadakwah ka hakim
agama, talak Aom Usman
ragrag hiji. Sarta ditulis
lamun talak teu karana
dipénta bakal didakwahkeun
jeung digugat; imah jeung
tanah baris pindah tangan
jadi milik Nyi Rapiah; tah
éta téh minangka paneunggeul nu disumputkeun.
Waktu lurah jeung kalipah daratang, meunang
néang tatanggana téa, tandatangan mah geus anggeus.
Nyi Rapiah bisa mujina ka
Aom Usman dihareupeun
kalipah jeung lurah nu
Manglé 2443
teterangeun yén éta surat
perjanjian téh hasil ancaman tadi tas aya nu
barontak ka salaki.”
Ceuk Nyi Rapiah: “Tah
geuning Abah Ipah, sareng
Ama Uwu. Nuhun atuh
kersa nyaosan pangakir. Ieu
téh Abah, Ama, aya kajadian
anéh dikalangan urang mah.
Awitna abdi téh ngageri ka
Aom duméh awis-awis dikilir, teras nyuhunkeun
kasauran nu sidik. Ari yaktos mileuleuheungkeun
kénéh mah ka abdi, atuh
boh kilir boh balanja sing
kantenan, ari parantos teu
diarah kedah aya lisan nu
pasti, mungpung abdi ngora
kénéh. Dupi Aom bet sapertos nu susungkunan,
dawuhanana, batan pipisahan sareng abdi mah kajeung ngagantung anjeun
atanapi malidkeun anjeun
ka Cikapundung. Sanggeus
abdi ah, teu ngandel satungtung buuk, lalaki mah dimana-mana gé pangoloan,
cenah gé habis manis sepah
dibuang.”
Disundul kitu téh, Abah
Ipah, gidig Aom angkat dikinten téh bendu,
singhoréng angkat ka kantor
pos, ngagaleuh segel, gutrut
nyerat, dawuhanana,
“Deuleuh tah Piah, bisi
manéh teu ngandel, kami
nyieun tanda tangan.”
“Sanggeus abdi: Duka
abdi mah teu tiasa maca
nulis, bilih bohong, urang
saur Abah Kalipah jeung
Abah Kuwu, éta margina nu
mawi dihaturan lalinggih
téh.”
Kalipah jeung lurah
gogodeg bari istigfar: “Naha
Nyai kawas lain putra haji,
teu percanten ka carogé
kabina-bina teuing.”
Nyi Rapiah tanginas
pisan jawabna: “Henteu bohong tapi teu waleh, ngan
kunu salancar kaharti siga
heueuh: Ih, ari Abah, da
abdi mah ka Aom teu miwarang ngagaleuh segel, anu
nyerat segel atuh anjeunna
ku anjeun.”
Lurah kolot nambalang:
“Ari cara ama mah ka duanana ogé muji. Ka Aom muji
ku kamenakanana, léah
manah ngadamel paneger
manah garwa. Ari ka Enok,
lain sih nguji duméh ka
baraya, ku bisa nyieun
pikadeudeuheun salaki.
Geus baé Mas Kalipah, tong
loba nyarita kolot mah kana
urusan budak, boga kapianak kalandep ku ménak
baé gé geus pirang-pirang
sukur. Ieu deuih maké ditalian ku segel.”
Henteu kudu dicatur
panjang, surat tandatangan
téh geus ditandatangan ku
Kalipah jeung Lurah, kari
ngadagoan dicap; isukan rék
dibawa ku Si Roda ka
kalurahan.
Ku ngabogaan segel éta,
ceuk saréatna lara bagja
Aom Usman gumantung
kana létah Nyi Rapiah.
Lamun éta awéwé buka
suara, “Aom Usman moal
teu dikongkorong ranté
kawas Ujang Kusén.”
Kawasna mah sapoé éta
Aom Usman keur ninggang
dinaas, ceuk kolot tahayul
mah keur salah indit-inditan. Ari Nyi Rapiah dipareng
numbuh dimujur, maén
sandiwara dipingpin ku
Anom Luih, satukangeun
layar téh pohara
nyugemakeunana.
Ari Luih, buaya Cicéndo
téa, lain waé kapati-pati ku
kageulisan Nyi Rapiah, tapi
ka Aom Usman rada giruk,
duméh dilicikan ngadu
jeung diheureuyan kabogohna. Nyi Mala, urang Cibunut. Dasar buaya pada
buaya waé sok silih hakan
mamangsaan. Teu wani
sotéh Luih dakwah, duméh
kurang balad, gigis ku Gan
Ali, kapipipaman Aom.
Jalan rikip taya deui
cabak, tinggal ngadu
dombakeun Usman jeung
Nyi Rapiah bari dibobotohan ti jauhna.
Sakumaha ilaharna antara papada buaya, nu silih
arah, jaba ti nyium bari
ngegel téh silih intip kasalahan atawa rahasiah jeung
permati. Rasiah Usman
dikantor gé geus dikeupeul
ku Luih, nya dicaritakeun ku
Nyi Rapiah pikeun ngagebrag. Buktina ... urang
pada terang dina sandiwara
Nyi Rapiah di luhur.
(hanca)
13
15. Takwa, Nyegah Tina Lampah Dosa
Ku RH. Tarmidzi
I
nti tina sadaya urang ngabdi ka Gusti
Alloh Swt, nu Maha Suci, teu aya
sanés iwal milari “katakwaan” ka
Mantena. Sok sanos dina jaman kiwari,
seueur gogoda nu sakitu ageungna, tapi
tetep milampah takwa ulah kagoda.
Takwa kudu nerap dina diri urang
salawasna. Cek paribasa, henteu unggut
kalinduan henteu gedag kaanginan,
ngalampahkeun takwa mah teu pédah
jaman robah. Sabab, dikukumaha ogé, da
éta tujuan urang hirup di dunya.
Rosululloh Saw parantos mépéling ka
umatna sangkan salamina takwa ka Gusti
Alloh, Ittaqillaaha haitsu maa kunta, prak
aranjeun takwa ka Gusti Alloh keur dimana waé aranjeun aya. Maksadna takwa
téh teu di watesan ku tempat jeung waktu;
iraha baé, di mana baé, dina posisi
kumaha baé jeung dina kaayaan naon baé.
Teu kinten pentingna sikep sareng
milampah takwa nerap dina diri urang
salamina. Kaunggel dina al-Qur’an
langkung ti 260 kali kecap “takwa”
disebutkeun. Salah sahijina sakumaha anu
ditukil dina pidawuh Gusti Alloh Swt dina
surat Al-Imran ayat 102, nu kieu unina:
Yaa ayyuhalladziina aamanu, taqulloh
haqqo tuqotihi, wala tamutunna illa wa
antum muslimuun. Nu hartosna : “Hé
jalma-jalma anu ariman prak aranjeun
takwa ka Alloh kalawan takwa anu
sabener-benerna, jeung poma aranjeun
ulah rék maraot kajaba dina kaayaan keur
sumerah diri ka Alloh Swt”.
Jalma anu takwa ka Gusti Alloh Swt
kalawan takwa anu sabener-benerna
takwa (haqqo tuqootih) disebutna “Mutaqin”. Maranéhna jalma anu paling mulya
sabab diluhurkeun harkat, darajat jeung
martabatna ku Gusti Alloh Swt. “Saéstuna
jalma anu paling mulya ti antara aranjeun
di sisi Gusti Alloh nyaéta jalma anu paling
takwa ti antara aranjeun”. (QS. al-Hujurat,
49: 13)
Takwa dicandak tina kecap “Waqoo”
dina bahasa arab. Sok sanajan kecap tadi
di wangun tina tilu aksara namung
mibanda ma’na sareng hartos anu teu kin-
14
ten jembarna. Katakwaan mangrupa puncak kahirupan ruhaniah manusa sareng
ajaran Islam anu paling poko. Ratusan kali
kecap takwa diungkapkeun dina alQur’an, hal éta nuduhkeun teu kinten
luhurna ajén kasaéan anu dikandungna.
Sakumaha kautamaan nu dibutuhkeun
dina kahirupan dunya sareng ahérat
parantos kakurung ku kecap takwa tadi.
Nya kitu deui pirang-pirang sifat anu
mulya sareng pinuji sapertos: jujur, adil,
amanah, ihsan, santun, jembar manah,
shobar, syukur, nyumponan janji, sareng
sajabina mangrupa bagian tina takwa tadi.
Sedengkeun rohmat, ni’mat, barokah
sareng kabagjaan sadayana buah tina
katakwaan.
Ku kituna takwa téh sanés bungkus
luar tapi status jero diri (state of inner self)
anu wujudna mancer dina kahirupan
nyata, nya éta sikep sareng tingkah laku.
Takwa ngagambarkeun kaayaan anu paling jero tina diri manusa ngeunaan éksistensi Gusti Alloh Swt sareng kawajiban tur
kasatiaan manusa ka Mantena. Sakumaha
dawuhan Rosululloh Saw, nu kieu unina:
Innaloha laayanduru ‘ala suwarikum
waajsadikum walakin yanduru ‘ala qulubikum waa’malikum. Nu hartosna :
“Saéstuna Gusti Alloh teu ningali kana
rupa jeung wangunan badan aranjeun,
tapi Mantena ningali kana haté jeung amal
aranjeun. (HR. Muslim)
Takwa sering dihartikeun “sieun”
jeung “ta’at” ka Alloh Swt. Ku sieun sareng
ta’atna jadi jalma anu takwa salamina sok
ngajaga diri dina sagala pagawéan nu teu
dipiridho ku Gusti Alloh sarta kalawan
hampang ngajalankeun sagala parentahNa. Ku kituna di antawis sabagian Ulama
ngahartoskeun takwa téh, “Ngajalankeun
sagala paréntah sareng nyingkahan sagala
larangan Gusti Alloh Swt”.
Peryogi ditegeskeun, yén harti sareng
amalan takwa dina harti sieun sareng ta’at
tadi kedah didasarkeun kana harti Islam
numutkeun ukuran al-Qur’an sareng Sunnah Rosul Saw, didasarkeun kana pituduh
Kitabulloh sareng tuntunan Sunnah Rosu-
lulloh anu muarana karidhoan Alloh Swt.
Ngémutkeun kecap “takwa” tadi asalna
tina istilah Islam sok sanajan ayeuna mah
takwa téh parantos jadi istilah sapopoé
sacara populer. Saolah-olah takwa téh
geus milik umum margi sakumaha panganut ajaran agama salian ti Islam ogé ngagunakeun istilah takwa tadi.
Saleresna Alloh Swt sareng Rosululloh
Saw parantos ngajelaskeun harti takwa
sacara rinci, jelas tur écés, boh dina alQur’an boh dina al-Hadist. Nya kitu deui
sifat, sikep sareng laku lampah amal perbuatan jalma-jalma anu taqwa. Pikeun
ngagampangkeun deui pamahaman urang
kana takwa ieu, mangga urang segerkeun
deui dina émutan urang kana hiji dialog
atanapi gunem catur antawis kholifah
‘Umar bin Khottob sareng shohabat Ubay
bin Ka’ab.
Pidawuh Sayyidina ‘Umar: “Hé Ubay
bin Ka’ab, nurutkeun anjeun naon
sabenerna anu disebut takwa téh?”. Kénging patarosan kitu, kalawan diplomasi
Ubay bin Ka’ab ngawaler, “Nun Amirul
Mu’minin, takwa numutkeun pangartian
Qur’an sareng Sunnah téh sapertos kieu:
Upami salira nanjak dina hiji lamping
batu anu nangtawing, anu leueur taya pamuntangan boh tatangkalan boh jujukutan upami kaleresan sampéan salira
tikoséwad dugi ka ragrag kana dasar jurang anu gurawes. Tah kumaha sikep
salira nalika nanjak dina lamping batu tadi
supados teu tikoséwad teras ragrag kana
dasar jurang dugi ka maot di dinya bari
kaayaan badan salira ancur?”.
Nguping cariosan shohabat kitu, Kholifah Umar bin Khottob kénging sakedapan mah ngahuleng. Saba’da narik nafas
kalawan sora anu abot anjeuna ngawaler,
“kami sering ngalaman nempuh jalan
modél kitu. Jeung nalika kami leumpang
dina lamping batu anu nangtawing kitu
sangkan teu tikoséwad tangtu waé kami
kudu kacida pisan ati-atina”.
Sohabat Ubay bin Ka’ab bari mésem
nyarios deui, “Tah éta nu dimaksud ku
Takwa téh ati-ati dina sagala hal”. Lajeng
Manglé 2443
16. saurna deui, “Aya tilu perkara anu kedah
dijaga kalawan ati-ati téh. Kahiji, ati-ati
ngajaga diri urang tina perkara nu dibenduan ku Gusti Alloh Swt. saperti: syirik,
kafir, doraka ka indung bapa, zinah,
ninggalkeun ibadah, sumpah palsu, korupsi sareng sajabina. Kadua, ati-ati ngajaga diri tina sagala perbuatan anu
ngaruksak atanapi anu ngarugikeun diri
sorangan, saperti: nginum khomer (kiwari
narkotika, alkohol, ganja, sabu-sabu),
judi, boros (royal), ngamubadirkeun
waktu, males, teu daék nungtut élmu, haseum budi, jeung sajabana. Katilu, ati-ati
ngajaga diri tina sagala perbuatan anu
ngaruksak jeung ngarugikeun diri batur
sok sanajan keur diri sorangan mah mawa
kauntungan, saperti: nipu, maling, ngagasab barang batur, mitnah, nganiaya,
khianat, maténi, ngadu domba, bohong,
ngaganggu rumah tangga batur, ngotoran
jeung ngaruksak lingkungan, jeung
sajabana”.
Nguping penjelasan ti sohabatna,
Sayyidina
Umar
nyarios:
“Kami
nganuhunkeun pisan kana sagala katerangan anjeun. Mugi Alloh Swt
ngalimpahkeun hidayah sareng taufikna
ka urang sangkan urang kaasup hamba
Alloh anu takwa tadi”.
Jadi jalma anu takwa téh, nyaéta jalma
anu salamina ati-ati ngariksa jeung
ngaraksa diri tina sakabéh perkara (kahayang, pikiran, ucapan, jeung perbuatan)
anu dibenduan ku Gusti Alloh Swt,
ngarugikeun dirina sorangan jeung
ngarugikeun diri batur.
Sikep ati-ati sareng ngaraksa diri tadi
dilakukeun dina tilu hubungan kahirupan.
Kahiji, hubungan ka Gusti Alloh Swt (ti
abid ka ma’budna, ti makhluk ka kholikna). Jalma anu takwa ati-ati ngajaga dirina tina sagala perkara (tékad, ucap,
lampah) nu dibenduan ku Gusti Alloh
Swt. Dina widang aqidah, ngajaga kamurnian aqidah Islamiyah (tauhid) tina
sagala rupa rowasib (kamusyrikan jeung
kakafiran). Dina widang ibadah (syari’ah),
ngajaga kamurnian amalan ibadah anu
loyog sareng katangtuan Qur’an tungtunan Sunnah Rosululloh Saw. Dina widang
ahlak, ngajaga diri tina satiap palanggaran
kana hudud (wates-wates) Alloh Swt
nyaéta ajaran Islam. Kadua, hubungan ka
diri pribadi salaku makhluk nafsiah (individual) anu kudu tanggung jawab kana
sagala tingkah paripolahna. Magka ati-ati
dina raraga takwa ieu, nyaéta kamampuhan ngajaga diri tina sakabéh palanggaran boh kana aturan Alloh Swt, boh
kana aturan manusa anu bakal
ngarugikeun ka diri sorangan. Margi, satiap palanggaran bakal mawa karugian
pikeun nu migawéna boh di dunya boh di
akhérat, utamana jaga engké di akhérat.
Manglé 2443
Margi sok sanajan di dunya ayeuna nu
ngalakukeun palanggaran (dosa, kasalahan) téh bébas tina hukum pidana dunya,
di akhérat mah geus dipastikeun moal
bébas tina wawales Alloh Swt. Sakumaha
pidawuh Mantena dina al-Qur’an:
Famayya’mal mitsqoladarrotin khoiroyyaroh, wamayya’mal mitsqoladarrotin
sarroy saroh. “Sing saha nu migawé kahadéan sanajan sagedé atum (sakeprul
lebu) tinangtu manéhna bakal ningali
babalesna. Jeung sing saha nu migawé kajahatan sanajan sagedé atum (sakeprul
lebu), tinangtu manéhna bakal ningali
wawalesna ogé”. (QS. al-Zalzalah, 99: 7-8)
Katilu, hubungan ka papada manusa
salaku makhluk sosial (ijtima’iyah). Jalma
anu takwa salamina ati-ati ngajaga diri
tina sagala perkara (tékad, ucap, lampah)
anu bakal ngaruksak tur ngarugikeun
batur sok sanajan pikeun diri sorangan
ngadatangkeun kauntungan. Ku sabab éta
pisan mangka umat Muslim diwajibkeun
amar ma’ruf nahi mungkar pikeun
ngaleungitkeun sareng nyegah kamungkaran nu bakal nimbulkeun karuksakan jeung bencana dina kahirupan.
Contona upama ngantep kajeunkeun
jalma-jalma nu ngaruksak lingkungan
saperti ngajarah jeung ngarambah leuweung mangka bakal timbul bencana
alam (longsor, banjir) anu pasti
ngarugikeun pirang-pirang pihak.
Pidawuh Gusti Alloh Swt: Wattaqu fitnatan laa tisyibannalladziina dholamuu
minkum khoossotan. “Jeung pikasieun ku
anjeun datangna fitnah anu akibatna moal
ngan tumiba ka jalma-jalma anu doraka
wungkul”. (QS. al-Anfal, 8: 25)
Dina ayat anu séjén Gusti Alloh Swt
nandeskeun deui, wamaa kaana robbuka
liyuhlikal quura bidulmin waahluha muslihuuna. “Jeung pangeran anjeun moal
rék ngabinasakeun nagri-nagri kalawan
aniaya padahal pangeusina jalma-jalma
anu saroléh”. (QS. Hud, 11: 117)
Kitu ungkapan anu gampil kanggo
urang pikeun mahamkeun hakékat tina
“Takwa ka Gusti Alloh Swt” tadi. Urang
sadaya henteu mungkin kénging pangartian hakiki sareng pangamalan takwa anu
leres tur tepat upami henteu diwangsulkeun kana pangartian sareng pangamalan takwa numutkeun ajaran Islam.
Ancur binasana jalma anu kapungkur
sakumaha seueur diterangkeun dina
Qur’an nya kitu deui reksakna tatanan
sosial sareng sendi-sendi moralitas
kahirupan masarakat bangsa sareng nagara anu tumiba ka bangsa urang akibat
tina krisis multidimensional anu manjang
tug dugi ka kiwari, di tambih ku langkung
parahna kareksakan lingkungan kahirupan alam ditibanan ku pirang-pirang bencana alam anu taya kendatna di
mana-mana. Sadayana éta dina hakékatna
balukar tina dosa koléktif atanapi dosa
barjama’ah bangsa urang anu kirang
syukur ni’mat kana sagala pituduh Alloh
sareng Rosul-Na.
Pidawuh Gusti Alloh Swt, nu kieu pihartoseunana: “Naha aranjeun teu
merhatikeun jalma-jalma anu geus
nukeurkeun ni’mat Alloh ku kakufuran
sarta ngagebruskeun kaomna kana jurang
kabinasaan? Nyaéta naraka Jahanam;
maranéhna tigebrus ka jerona; jeung nu
kitu téh panggoréng-goréngna tempat
baralik”. (QS. Ibrahim, 14: 28-29)
Namung sadayana éta insya Alloh
tiasa diungkulan, didangdosan sareng diwangun deui upami sakumna komponén
bangsa urang boh masarakat boh pamaréntah mibanda tékad sareng karep
anu sami pikeun sasarengan ngadangdosan sareng ngawangun deui kalawan didasarkeun dina katakwaan ka Gusti Alloh
Swt dina ma’na anu saleres-lersna atanapi
“haqqo tuqootih”. Gusti Alloh Swt moal
ngarobah nasib bangsa urang upami
urang sorangan henteu aya usaha pikeun
ngarobahna, ngadangdosanana sareng
ngawangunna deui kalawan arah sareng
cara anu langkung saé. Pidawuh Gusti
Alloh Swt. nu hartosna deui, “Sing saha
anu takwa ka Alloh, tinangtu anjeuna
bakal méré jalan kaluar pikeun
maranéhna tina pirang-pirang perkara nu
disanghareupanana sarta méré ka
maranéhna rizki tina jalan nu teu
disangka-sangka. Jeung sing saha anu
tawekal ka Alloh, mangka Anjeuna baris
nyukupkeun sagala kaperluanana”. (QS.
Ath Tholaq, 65: 2-3)
Jalma anu takwa, jalma anu moal
kersa malikan deui kasalahan. Sagala
kasalahan léngkah sareng tindakan
kalawan sagala akibatna salamina
dijantenkeun ibroh sareng maoidhoh
(eunteung sareng palajaran moral) anu
kacida mahal pikeun ngoméan diri,
ngoméan sikep sareng léngkah sangkan
pangalaman
pait
anu
parantos
kalangkung teu kaalaman deui.
Mugia ku pedaran di luhur, tiasa janten pépéling pikeun urang geusan
ningkatkeun katakwaan salaku landasan
anu kokoh kuat pikeun ngawangun deui
kahirupan masyarakat jeung bangsa
urang sangkan dipiridho ku Gusti Alloh
Swt. Allohuma robbana dolamna angfusana waillam tagfirlana watarhamna
lanakunanna minal hoosiriin. Allahuma
as'aluka saabatan firrusdi wa as'aluka ajimatan firrusdi, wa as'aluka sukron fini'mati wahusna fi ibadati wa as'aluka
lisanan sodiqo wa qolban salima. Hasbunalloh wa ni'mal wakil, ni'mal maola wa
ni'man nasiir. Amin.***
(Tina sababaraha sumber)
15
17. Kuli
Ku Ensa Wiarna
K
ecap kuli bisa jadi arang dipaké. Da, ayeuna mah
leuwih ilahar maké kecap
buruh, pagawé atawa karyawan.
Padahal, enas-enasna mah, boga
harti nu sarua, digawé di nu séjén
ngarah buruhan.
Nilik kana asal-usulna, kecap
kuli téh, saperti ceuk Kamus Basa
Sunda Danadibrata,
tina basa
Hindu, nu hartina pagawé, buruh
kasar, karyawan kasar nu buruhna
poéan jeung henteu tangtu lobana.
Kecap kuli, ceuk éta kamus kénéh,
asalna mah nuduhkeun ka urang
Cina jeung Jepang anu miskin nu
daratang ka Indonésia ngadon
buburuh koréh-koréh cok.
Harkat kaum kuli, kagambar
dina Buku Kuli Kontrak karangan
Mochtar Lubis (1982). Apan, kacatur, kuli mah dianggap handap,
malah
opziter
Belanda
gé
samemena naker ngaganggu jeung
ngarampas hak-hak parakuli téh,
kaasup ‘ngoroméoh’ pamajikanana.
Parakuli gé teu bisa majar kumaha,
da rajeun aya gé nu ngalawan, dianggap ngabangkang nu ahirna
mah ditangkep sarta diberok di
pangbuian.
Karuhun Sunda nganggap,
ngadunungan téh kurang hadé.
Geuning mun dahar pipindahan gé
digeunggeureuhkeun. Pajar téh, pamali, matak loba dunungan!
Hartina, ngadunungan téh teu dianggap alus,
da dianggap
piripuheun.
Anggapan kitu, tumali jeung
‘harega’ kuli nu teu bisa nawar.
Buruhna gé ditangtukeun ku nu
maké éta tanaga. Kitu téh, lantaran
nu diharegaan ku dunungan téh
ukur tanagana, lain kamampuhan
séjénna.
16
Dina kamekaran dunya usaha,
lobana nu butuh ku kaahlian jadi
panyalidungan hak-hak pagawé.
Lantaran upama pagawé ngarasa
teu diajénan luyu jeung kahayangna, bisa langsung pindah ka
dunungan séjén. Kitu ceuk Milton &
Rose Friedman dina bukuna Free
To Choose. Tapi, ari ukur jadi kuli
mah, tetep hésé meunang panyalindungan, lantaran teu boga ‘daya
tawar’.
Upama karuhun teu ngidinan
boga loba dunungan, lantaran
nangtukeun karep jeung kahayang
sorangan dianggap leuwih hadé
batan hirup aya dina tungtung
curuk batur. Kamandirian urang
Sunda baheula mémang témbrés
dina nyumponan pangabutuh
sapopoé. Apan, cenah, mun teu
ngakal moal ngakeul, mun teu
ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék. Atawa, ceuk
babasan séjénna, upama butuh
supana kudu daék miara catangna!
Ngandelkeun kakuatan jeung
kamandirian, digederkeun ku Bung
Karno mah. Babasaanana gé, kudu
‘berdikari’, berdiri di kaki sendiri.
Hartina, ulah (sagala) nguyang ka
batur.
Hirup di nagri agraris, jadi
modal
kamandirian.
Atuh,
pasipatanana gé daék nété tarajé
nincak hambalan. Miharep hasil
kalayan ngaharegaan prosésna. Nu
biasa tatanén atawa pepelakan,
jeung ngukut ingon-ingon percaya,
nepi ka metik hasilna ngala buahna
téh butuh waktu. Ngadagoan panén,
misalna, mulan-malén, lantaran
kudu melak heula binihna, macul,
tandur, ngarambet, nu ahirna
nganti panén.
Kamandirian, jadi udagan.
Sakur nu hayang boga harega diri
mah, kecap mandiri téh lir tuturus
hirup. Apan, ceuk Kahlil Gibran gé,
“ Deudeuh temen bangsa nu make
pakéan lain beunang ninunna, nu
ngadahar roti lain tina gandum
hasil panénna...”
Ngahontal kamandirian butuh
prosés. Gambaran karuhun percaya
kana prosés, karékam dina caritacarita heubeul. Loba carita sabangsa munjung, ngipri, ngetek,
ngingu kecit, jeung sajabana. Eusina, ngalalakonkeun jalma nu
hayang buru-buru beunghar. Tapi,
pungkasan carita mah, tara ‘happy
ending’ da nu munjung téh ahirna
mah tideuha ku pamolah sorangan
nu ahirna balangsak jeung cilaka,
kaasup jadi parepeh sanggeus
nyawa ninggalkeun raga.
Parobahan, mémang teu bisa
dihalang-halang. Da, saperti ceuk
sajak Eka Budianta, “Daék teu daék
urang kudu milih peran, ngan éta
peran téh bisa cita-cita atawa kapaksa. Robahna mikir gé, teu kudu
dipapaksa. Da, bisa kapaksa ku
kaayaan. Nyumponan kahayang gé
kari ‘dibujeng énggalna’! Atuh,
mun ménta gé merekedeweng.
Hayang kitu, hayang kieu, kari
démo, langkana kadelé gé apan
démo. Padahal, ti mimiti melak
nepi ka panén gé moal beunang
dirurusuh!
Mun nu démo hayang
sagancangna kacumponan pangabutuh, kaasup mu éta kabutuh téh
hasil tatanén, meureun ceuk patani
téh, “Pék atuh melak sorangan?”
Tapi, kétang di mana melakna?
apan lahan tatanén gé geus loba nu
salin rupa. Piraku melak kadelé
dina lahan parkir mol atawa réal estate! ***
Manglé 2443
18. Harepan ka Lembaga Atikan Pinilih
Ku Widya Utama
M
eh saban taun ajaran anyar, bangbaluh hate, pikiran jeung pasualan
pesak (finansial) tangtu kudu ditanggung ku masrakat, nu boga maksud
nyakolakeun barudakna ka paguron luhur,
pangpangna keur masarakat ekonomi leutik
tangtu jumlahna mingkin undak.
Geus pada maklum, yen kondisi kitu
patalina jeung hiji kondisi, di mana hiji hal miharep ajen (kualitas) perguruan tinggi nu
hade, sarta sisi sejenna deui miharep perguruan tinggi anu murah (nu waragadna kabedag ku masarakat ekonomi leutik). Kadua
harepan eta, sacara umum bisa kacumponan
mun bisa kataraima ka perguruan tinggi
negeri. Ku sabab kitu, perguruan tinggi negeri
saban taun teu weleh diboro ku calon mahasiswa anyar. Antukna, loba anu teu katarima,
alatan kawatesan ku jumlah kapasitas panarimaanana.
Dina kaayaan mopo jeung energi anu kawatesan, calon mahasiswa nu teu katarima ka
negeri tea, kapaksa moro perguruan tinggi
swasta. Nu biasana mimiti disoro nyaeta perguruan tinggi swasta, nu ceuk panenjona kaasup alus jeung luhung ajenna.
Dina persaingan nyangharepan kanyataan,
masarakat anu minat bari jeung kawatesan
kamampuh finansialna, nya moal boa bakal
kalindih deui wae.
Tembong sabada dina pangalaman pait
kumaha hesena asup ka perguruan tinggi
negeri, maranehna (calon mahasiswa) nu
boga nuluykeun kuliah bakal gancang pohona
teh kana beban waragad anu tangtu bakal
ditibankeun swasta ka maranehna.
Nu diuberna kiwari perguruan tinggi nu can
rasional tilikan masarakat minangka perguruan tinggi ‘kelas lain’. Ku cara eta, ngiclik we
seleksi kamampuh material. Nu eleh, nya
tangtu ‘wong cilik’ deui wae.
Kaayaan saperti nu digambarkeun bieu
dina kanyataanna bakal ngalahirkeun jeung
ngabedakeun tingkat kahirupan. Sabab ukur
ditempo di mana budak sakolana, geus bakal
katebak starata golongan sosialna.
Leupas tina pasualan diluhur bieu, tangtu
wae masarakat ngabogaan harepan ka sakola
minangka imah paelmuan jeung pangiuhan.
Tangtu eta harepan teh kudu dijawab ku masing-masing sakolana, sangkan naon nu jadi
angen-angen masarakat luyu jeung harepanna. Ku kituna, pijawabeunana teh nyaeta
dina wangun kakuatan ‘ketahanan’ sakola.
Eta kakuatan sakola dina kaayaan kumaha
wae oge mampuh ajeg jeung bisa nakis ruparupa pangaruh negatip anu torojolna boh ti
jero boh ti luar.
Ketahanan saperti kitu. Minangka dasar
Manglé 2443
jeung utamana pikeun ngawewegan bangunan ketahanan kasebut nyaeta ku cara nyiptakeun gawe harmonis sakumna komponen
nu aya di kampus, ti mimiti pingpinan nepi ka
pagawe panghandapna, jeung tangtu kudu
dirojong ku sarana jeung prasaranana deuih.
Dengan kata lain,,yayasan,pejabat tertinggi
sampai bejabat terbawah,tenaga pendidik,
tenaga kependidikan dan mahasiswa harus
mampu menciptakan suatu iklim di mana
proses belajar-mengajar dapat terlaksana
dengan baik, lancar dan tertib.
Cohagna, yayasan, pajabat pangluhurna
nepi ka pajabat handap, tanaga pendidikan,
tanaga kependidikan, jeung mahasiswa kudu
mampuh nyiptakeun hiji iklim di mana proses
diajar-jeung ngajar bisa laksana kalawan
hade, lancar tur tartib.
Suasana saperti kitu teu bisa nanjeur sosorangan. Maksudna, sacara hakiki henteu ukur
bisa diciptakeun ku potensi nu aya di jero
sakola wungkul, tapi misti oge dirojong ku
rancage gawe jeung pihak sejen, nyaeta
masarakat. Eta masarakat jadi komponen nu
milu nangtukeun bisa-henteuna ketahanan
sakola lumangsung.
Minangka sasak nu jadi panyambungna
perelu diwangun beungkeutan kolot siswa
(ikatan orangtua siswa) nu oge perelu
dikaitkeun jeung beungkeutan alumnina.
Mun diupamakeun sakola teh minangka
lauk nu anyar anu bisa hirup di cai, tah
masarakat teh cai/tempatna lauk harirup. Ku
kituna sakola saestuna kudu bisa ngahiji jeung
masarakat. Mun tea mah sakola nepi ka misah
jeung masarakat, nya teu mustahil bakal
tilarna eta sakola. Di sagedengeun hal-hal di
luhur nu sipatna masih umum, sacara internal sakolah oge kudu bisa ngatur, ngokolakeun sarta nanjeurkeun disiplin keur
sakumna civitas akademina.
Disiplin ngandung makna kacida pentingna. Lir dua sisi panon peso anu seukuet.
Hiji sisi disiplin teh mangrupa Pendidikan,
anu satekah polah nanjeurkeun sikep kajiwaaan para siswa bisa hirup nurut tur bener,
di antarana tumut aturan jeung tata tertib. Sisi
sejenna, bisa nyiptakeun katingtrim kaayaan
sakolana, sahingga kagiatan proses diajarngajar lumangsung lungsur langsar. Nyiptakeun ‘TATA TERTIB’ anu mampuh ngatur
kahirupan sakola sagemblengna.
Eta Tata tertib teh mangrupa pameungkeut
sarta pangawates. Tapi eta pangawates ge deui
perelu pangenyed sacara kodrati individu eta
ngabogaan daya karep merhatikeun kapentingan pribadi leuwih gede batan merhatikeun
kapentingan umum.
Ngaguar tina kamampuh nyiptakan disiplin, sarta nurut kana aturan tata tertib, teu
mustahil bakal leuwih luhungna wiwaha
sekola. Hartina wiwaha yayasan, pajabat-pajabatna, para tanaga pendidik, jeung tanaga
kependidikan ge otomotis tangtu wiwahana
bakal milu undak. Kumaha jeung UNPAS minangka salasahiji perguruan tinggi swata?
Jawabanna tangtu, ieu paguron luhur jeung
sakum komponen anu ngokolakeun di jerona.
Sahenteuna ngalakukeun hal anu sarua, nyiptakeun tata-tertibna ku cara nyaah ka eta lembagana kalawan paham jeung ngalaksana
keun ‘katara jeung karasa’ nu geus jadi kasapukan balarea: Luhung Elmuna/Nyakola.
Kudu terus digedurkeun nepi ka tepung jeung
ajen bebeneran ku cara mikir rasional, ajeg
dina ajen inajen bebeneran daek narima asupan/kritik ti nu lian. Luyu jeung eta, oge kudu
ningkatkeun tarap hirup bari kudu merhatikeun kodrat, martabat manusa sarta
kalanggengan alam ku elmuna nu mangpaat;
Pengkuh Agamana /Nyantri. Sakumna civitas
akademika Unpas kudu paham jeung ngalaksanakeun tugas sarta fungsi hirupna. Nu kudu
jadi cepengan, yen hirup teh taya lian pikeun
ibadah ka Allah SWT jeung miharep ridho-Na
sarta bebeneran anu hakiki, anu datangna ti
Allah SWT.
Sakumaha nu ditepikeun ku Mahatma
Ghandi: “Dunia beserta segala isinya dapat
mencukupi kebutuhan semua penghuninya,
tetapi dunia dan segala isinya tidak akan mencukupi keserakahan seorang saja.”; Nyunda/
Jembar Budayana. Urang kudu ngabogaan
jeung ngalarapkeun jiwa someah, silieledan,
toleransi, jeung brukbrak ngalaksanakeun
ajen gawe nu dituturusan ku silih asah, silih
asih, silih asuh.***
*) Nu nulis Kepala Biro Akademik
Universitas Pasundan
17
19. Carpon Ipung Thaifur Abu Yazid
F
Basa Bendera Turun
adil hulanghuleng ningali
sabudeureun
imahna. Pada
rariweuh.
Katingali kabéh tatanggana ngariung di buruan
imahna séwang-séwangan, keur ngahias imahna.
Aya nu masang umbulumbul, aya nu ngan ukur
masangkeun bandéra
laleutik, aya ogé nu diselingan ku palastik leutik
nu eusina cai warna-warni. Aya warna beureum,
konéng, héjo, ogé bulao.
“Mah, ieu téh aya naon
mani ramé? Pan lebaranana ogé tos lami,” ceuk
Fadil nanya ka indungna
18
bari culang-cileung bingungeun.
“Ih, sanés kanggo
lebaran ieu mah. Apan
énjing téh ulang taun Indonesia, jadi kedah dihias
bumina,” témbal indungna.
“Naha atuh bumi Dédé
teu dihias jiga bumi batur?”
“Pan teu acan kasép.”
“Oh…” témbal Fadil,
bari angger teu ngartieun. Kangaranan budak
kakarék asup sakola TK,
keur meujeuhna loba
tatanya. Can ngarti naon
éta Indonésia, komo ari
nu ngaranna poé kamerdékaan mah. Rét manéh-
na ka lebah panto, bapana kaluar bari ngagigiwing tongkat jeung
bandéra.
“Bapa éta kanggo
naon?” Fadil nanya deui,
ayeuna mah ka bapana
bari nunjuk kana tongkat.
“Tuh ku Dédé tingali
bumina Mila sareng bumina Ateu! Sadayana
masang bandéra beureum bodas, bandéra Indonésia,” ceuk bapana
bari nuduhkeun bandéra
nu dipasang di buruan
tatanggana.
“Naha kudu masang
bandéra? Naha bandérana kudu warna beureum
jeung bodas?”
“Pan tos dipasihan
terang bieu ku mamah
sanés? Énjing téh ulang
taun Indonésia, tah ari
Indonésia téh bandérana
beureum jeung bodas.”
“Naha kalah masang
bandéra? Pan biasana
mun Dédé ulang taun sok
ngadamel kuéh. Naha teu
ngadamel kuéh waé?
Bapana ngan ukur seuri, ningali kapanasaran
budakna nu kakara nincak lima taun. “Engké,
mun Dédé tos ageung gé
bakal terang.” bari tuluy
masangkeun bandéra di
buruan imah. Fadil angger teu ngartieun, naon
nu dimaksud ku bapana.
Manglé 2443
20. Antukna mah manéhna
milu ngaririweuh bapana
masang bandéra.
Wancina solat magrib.
Bapana Fadil geus rapih,
rék indit solat ka masjid.
Cara biasana, bapana ngajakan Fadil indit ka
masjid, ngarah jadi kabiasaan nu hadé cenah. Jadi
ti leuleutik geus dibiasakeun.
“Dédé, hayu urang ka
masjid. Tah Mang Karsim
tos adan,” ceuk bapana.
Tapi Fadil masih anteng
ulin jeung cocooanana.
“Hayu énggal, engké tos
solat urang jalan-jalan
jeung bapa.” Diolo kitu
mah, Fadil kakarék daékeun indit ka masjid jeung
bapana. Bérés solat, Fadil
buru-buru ngungunyeng
bapana, ngajakan balik ka
imah. Manéhna geus teu
sabar hayangeun jalanjalan téa. Antukna mah,
duanana gasik baralik ka
imah. Tuluy ganti baju.
Léos wéh indit, ari indungna mah teu milu, da
kagok ku ku kumbahaneun cenah.
Peuting éta, di jalan
kacida raména. Méh sarua
jeung malem takbiran kamari. Di ditu-di dieu loba
umbul-umbul ngajajar
sapanjang jalan jeung
spanduk nu rupa-rupa
tulisanana. ‘HUT RI ke68’, Dirgahayu Indonesia
yang ke-68’, jeung réa-réa
deui. Barang ngaliwatan
toko éléktronik, teu kahaja
Fadil ngadéngé sora nu
ngajorowok, “Indonesia
Merdeka!” Pas ditingali,
ari pék téh iklan dina TV,
nu milu ngareuah-reuah
poé kamerdékaan Indonésia.
“Pa, merdéka téh
naon?” ceuk Fadil ka bapana.
Ngadéngé anakna nanya
kitu, bapana ngahuleng
Manglé 2443
sakedapan. “Eum,
merdéka téh bébas. Dédé
pan ayeuna tiasa sakola,
tiasa ameng sareng Mila,
sareng Ateu, sareng A Adi.
Tah éta téh sami sareng
merdéka,” témbal bapana,
bari teu yakin kana jawabanana, da bingung ari
rék nyontoan ka budak nu
leutik kénéh mah.
“Ari merdéka téh ramé
nya?”
“Ih, ramé atuh! Engké
téh sok aya seueur lomba.
Aya balap ngaemam kurupuk, aya balap karung,
sareng nu sanésna. Dédé
hoyong ngiringan lombana?”
“Hoyong! Dédé hoyong
ngiring balap emam kurupuk!” témbal Fadil.
“Atuh ramé nya Pa,
merdéka téh?
“Muhun, ari merdéka
mah sok raramé.”
Antukna Fadil jeung bapana nuluykeun indit ka
alun-alun di puseur kota.
Di dinya, Fadil jeung bapana ningali nu pawéy
abring-abringan. Kembang api ngajelegur di
ditu-di dieu. Peuting éta
ramé pisan. Keur antengantengna ningali nu
abring-abringan, aya
musafir nyampeurkeun.
Lalaki tengah tuwuh jeung
budakna, nu kira-kira
saumuran jeung Fadil. Bajuna belél, harideung,
geus jiga elap. Awakna
hideung lestreng jeung
kucel. Duanana teu
maraké sendal. Bapana
Fadil ngodok pésak, rék
néangan duit récéh. Song
wé lima rébu, da nu beunangna nu éta. Geus
dibéré mah duanana
arindit, ménta deui ka nu
séjén. Fadil tuluy melongkeun musafir nu dua
bieu. Rét ka tukang, kaciri
barudak leutik sapantaran
manéhna. Keur bara-
maén.
Ningali éta kajadian,
Fadil nu masih kénéh
budak nanya ka haténa
sorangan, naha maranéhna bet karucel kitu?
Teu senang cara batur nu
keur ningali kembang api
jeung nu abring-abringan? Manéhna teu ngartieun.
Poé kamerdékaan Indonésia teu burung cunduk. Fadil geus anteng
hareupeun TV, rék lalajo
film kartun karesepna.
Ngan, barang ngahurungkeun TV sihoréng nu aya
kalah ka upacara bandéra.
“Mah, éta téh nuju
nanaonan? Sadayana diaracuk bodas, ngajarajar,”
ceuk Fadil nanya ka indungna.
“Éta téh badé upacara
bandéra,” témbal bapana.
“Ari upacara bandéra
téh naon?”
“Upacara masangkeun
bandéra, cara di buruan
bumi Dédé. Pan kamari
masang bandéra.”
“Naha éta mah tihangna
jangkung? Teras naha
kudu ngahormat?” Fadil
nanya deui.
“Eum, éta téh supaya
katingali ku sadayana, yén
urang téh tos merdéka.
Tah ari hormat mah, nandakeun urang téh nyaah
ka Indonésia,” témbal bapana bari arap ap-eureup
eup.
“Jadi Dédé gé kudu ngahormat nya Pa? Apan
Dédé gé nyaah ka Indonésia. ”
“Muhun,” témbal bapana bari unggeuk.
Geus lalajo upacara
naékkeun bandéra, Fadil
jeung kulawargana arindit
ka lapangan, ningali ruparupa perlombaan. Aya
lomba ngasupkeun paku
kana botol, balap kaléci,
balap karung, tarik tam-
bang, nepi ka nu pamungkas nu pangraména, maén
rebutan. Fadil atoheun
pisan ningali nu keur
lalomba. Kabéh perlombaan réngsé jam satengah
tilu. Geus bérés mah,
kabéhanana balubar.
Baralik ka imahna
séwang-séwangan.
Satepina di imah, Fadil
langsung nyokot momobilanana, tuluy ulin di
patengahan imah. Bapa
jeung indungna lalajo.
“Tuh Dé, nu upacara
deui!” ceuk indungna.
“Ieu badé naon deui?”
témbal Fadil malik nanya.
“Ieu téh badé nurunkeun bandéra nu tadi ditaékkeun,” témbal
bapana.
“Naha geuning kalah diturunkeun?” Fadil nanya,
bari jeung bingungeun.
“Pan atos bérés acara
ulang taunna ogé, jadi diturunkeun deui,” témbal
indungna.
“Atuh meureunan moal
katingali deui? Apan
bandéra dikaluhurkeun
téh supaya katingali ku sadayana.”
Bapa jeung indungna
silih teuteup. Caricing.
Teu apal kudu ngajawab
kumaha keur ngajelaskeun ka anakna. Nyéh, bapana ngan ukur imut.
Jung waé budak téh dipangku ku bapana, tuluy
dilahun.
“Ih, enya nya, naha atuh
nya kalah diturunkeun?”
témbal bapana api-api teu
nyaho. “Bener nya atuh
moal katingali deui ari diturunkeun mah. Pinter
pisan putra bapa!” ceuk
bapana bari imut, bangun
atoh kana sikep anakna
nu ngan hiji-hijina.
***
Sukabumi,
18 Agustus 2013
19
21. Lalakon Ahir Bulan
Carpon Erwin Wahyudi
B
oni keur ngabaheuhay 'na korsi
térlas. Pikiranana cus-cos ka
ditu-ka dieu.
Tanggal kolot. Duit 'na jero
lokétna geus euweuh nu
nyelap salambar-lambar
acan. Pasosoré basa tadi
mulang digawé, kalah disampakkeun budi nu haseum ti Késih, pamajikan
ana. Panyakit matuh saban
almenak geus nincak tanggal lilikuran.
Di langit bulan taya némbongan. Béntang nu sasarina tingkaretip, kalah
nyarumput satukangeun
méga hideung. Angin nu
keur nebak hihiliwiran, teu
bisa niiskeun eusi polo Boni
nu keur sumedeng ngahéab.
"Duit sakieu-kieuna, ari
budak merenyéng waé keur
bayaran sakola! Éra cenah
dicalukan waé ku guruna,
Kang! Jaba nu boga kontrakan ménta dibérésan
sagancangna. Mun tulus
dibayarkeun ka sakola, rék
dahar naon atuh isukan?
Maenya rek ngéjo ku keusik
mah!" Nongtoréng kénéh
néngtéréwélangna Késih
tadi soré.
Kop kana roko kéréték nu
nyésa sabatang deui. Cekés,
seuneu tina Tokai meuleum
tungtung roko. Serebung,
haseup hayang paheulaheula bijil tina liang irung
jeung bahamna.
Gap kana gelas kopi nu
caina témbong saeutik deui.
Leguk diinum. Kopi hideung
jeung roko, dua sobat dalit
nu satia marengan mun
pareng pikiranana keur
dibeungbeuratan ku dodoja.
Sabot keur ngenyot roko,
Késih aya nyampeurkeun.
Gék diuk gigireunana.
"Lain bawél ieu mah,
Kang! Béas téh tinggal
20
sakalieun nyangu deui. Abdi
mah teu sanggup mun kudu
nganjuk deui ka warungna
Ceu Isah téh, bon nu bulan
kamari ogé ngambay
kénéh!" Biwirna gutak-gitek
badis bujur biduan dangdut.
"Terus kudu kumaha?
Sidik nampa gajihna ogé
opat poé deui!" Boni rada
nyureng ka pamajikanana.
"Néangan jalan, atuh,
Kang! Nginjeum ka saha wé,
atuh! Keur meuli roko jeung
kopi mah geuning sok bisa
ari sakalieun keur teu boga
duit ogé!" geus pok deui
waé. Boni ngarahuh, tuluy
némbal,
"Heug! Sugan hasil
isukan, ayeuna mah jung ka
jero deui!" Nitah ka Késih.
Nu dititah surti, léos deui ka
jero. Boni mah tibang
gogodeg ari céréwédna
Késih keur kanceuh téh.
Boni hulang-huleng deui
mikiran bangbaluh nu keur
ngaheumpikan dadana.
Lima taun gawé di kantor
purah jadi office boy. Duit
beubeunangan saukur mahi
pikeun dahar, mayar kontrakan jeung béaya sakola
budak hiji-hijina di SMP, nu
mimindengna mah sering
telat kabayar.
Angin mimiti ngagelebug.
Ngoyag-ngoyag tangkal
jambu nu aya hareupeun
kontrakanana. Sababaraha
kali Boni katémbong keur
napukan reungit nu titadi
mula ngagembrong kulitna.
Lieuk kana érloji nu kacana
geus renghat.
"Geus jam sapuluh, geuning?" Ngagerentes lalaunan.
Sup ka jero imah. Tutas tutulak, Boni ngoloyong ka
jero pangkéng. Kasampak
Késih keur ngageubra dibaturan ku anakna. Léos muru
kana korsi nu kaénna geus
saroeh, hareupeun tipi 14
inch nu ditilaman ku méja
leutik.
Golédag. Hulang-huleng
deui waé. Peuting beuki
jempling, tapi dina jero haté
Boni mah ngaguruh. Gulinggasahan. Hayang manggih
jalan supaya cumpon
lalakon nepi ka tanggal
nampa duit ti kantor. Maju
ka tengah peuting, mimiti
kapireng kérékna nu nyegrék.
Tutas sarapan saaya-aya,
Boni nyelah motor Véspa nu
geus teu puguh rupana.
Rada lila mesinna bisa nepi
ka hirup téh. Sabot keur
manasan motor, Késih
nyampeurkeun.
"Duit téh teu tulus dipaké
mayar ka sakola, Kang!
Sugan tanggal ngora wé
bébérésna," ceuk Késih.
Boni mah kalah nagog
nyanghareupan mesin
Véspa, leungeunna memener kabel busi. Panalék ti
pamajikanana teu dijawab.
Boni ngageuleuyeung
kana vespa, mapay-mapay
jalan nu geus mimiti balawiri ku kandaraan. Sora ke-
Manglé 2443
22. nalpot vespana bébérékbékan, matak sawan nu
ngadéngé. Anjog ka kantor
langsung muru ka pantry.
Kasampak Si Émon, baturna
papada OB keur diuk 'na
korsi, nyanghareupan kopi
nu masih kénéh ngebul.
"Rék ngopi, Lur?" ceuk Si
Émon nanya.
"Moal, ah! Uingah hayang
ménta roko sabatang, wé,"
ceuk Boni, bari tuluy ngarongkong bungkus roko
bodas gigireun gelas. Gék
diuk hareupeun Si Émon.
Roko diseuseup jero naker
bangun nu nikmat.
"Mon, ilaing boga duit tiis,
teu? Uing butuh jang mayar
kontrakan, euy!" Boni muka
wangkongan. Nu ditanya
kalah nyakakak.
"Pajenggut-jenggut jeung
nu dugul ieu mah, euy!
Puguh uing nu rék nginjeum
ka ilaing, butuh keur mayar
angsuran motor," ceuk Si
Émon. Boni terus ngabetem.
Panonna rarat-rérét ka sakuliah rohangan.
"Panyakit nu matuh keur
pantar urang-urang mah ari
geus kieu téh!" Si Émon geus
pok deui.
"Mun dikersakeun atuh
aing téh jadi anak pangagung, moal ripuh-ripuh teuing meureun, nya, Mon?"
Boni ngarasula, bari mencrong salasah roko dina
asbak. Émon tibang mésem
nempo kalakuan baturna
téh. Teu lila duanana carengkat tina korsi séwangséwang, laju pakpikpek
nyieunan citéh jangeun staf
kantor. Jam dingding nu
naplok 'na témbok pantry
karék nojo kana angka 10.
Boni keur nyorangan maca
koran édisi heubeul. Tirilit.
Hapé-na nu dibeungkeut ku
karét geulang lebah késing,
ngabéjaan aya és-ém-és
asup.
"Tiasa uih heula sakedap,
Kang? Aya penting saur Ceu
Késih!" és-ém-és ti nomer
tatanggana. Bingung rék
malesan, sabab hapé-na euweuh pulsaan, rék nginjeum
Manglé 2443
hapé Si Émon, jinisna keur
dititah kaluar. Sabil haténa.
Ari teu balik bisi bener aya
penting. Antukna Boni ngawani-wanikeun ménta idin
ka Pa Tomi, dununganana.
"Jig waé rék mulang mah,
bisi aya nu kapapaténan di
lembur," ceuk Pa Tomi.
Sajajalan muru ka imahna,
pikiran Boni ngarancabang,
sieun manggih hal anu teu
dipikahayang ku manéhna.
Basa nepi ka hareupeun kontrakanana, kasampak geus
loba jelema ngagimbung.
Haténa rada tagiwur.
"Aya naon ieu téh?" Boni
nalék Késih, nu keur diuk
disanghareupan ku RT
Haris, hansip Omo, jeung Bi
Minah, tatanggana ti tungtung lembur.
"Lokét abdi ical, Kang!"
"Kumaha caritana? Cik
terangkeun!"
"Abdi téh nuju nyeuseuh
di sumur pengker, aya Jang
Ubéy ngawartosan. Saurna,
Bi Minah lebet ka bumi,
teras kaluar deui mani rurusuhan. Ari ditingali,
muhun wé lokét abdi téh tos
teu aya dina luhureun tipi.
Teras wé laporan ka Pa RT,"
ceuk Késih nerangkeun kajadian.
"Leres, Ibi, nu nyandakna?" Boni nalék ka Bi
Minah. Nu ditalék kawas
bueuk meunang mabuk.
Ngeluk tur ngabetem.
Cipanonna katara ngalémbéréh nu dibarung jeung ingsreuk-ingsreukan.
"Jawab atuh, Minah!
Hantem waé ngonci baham
titadi téh?" Hansip Omo
milu mairan. Teu lila
manéhna unggeuk, bari beungeutna mah teu daék
cengkat.
"Rumaos abdi tos kumawantun," ceuk Bi Minah,
halon. Tatangga mingkin
ngagimbung, nu sawaréh
nyedek ka jero imah nu ngan
ukur sagéwok, kituna téh
jeung bari tinggerendeng,
pada ngupat Bi Minah nu
cikénéh kalangsu.
"Goréng adat, geuning?
Buru bikeun deui lokét téh
ka nu bogana!" RT Haris
ngagebés. Keur kitu torojol
Si Endi, anakna Bi Minah,
nu digawé di dayeuh.
Kabeneran keur mulang,
tuluy tatanggana aya nu
ngabéjaan jigana mah. Si
Endi ujug-ujug ngagabrug ka
indungna, tuluy ngahinghing
bangun nu kanyenyerian.
"Ema...! Nanaonan atuh,"
kadéngéna téh.
"Geus, Jang! Sipat jelema
ngaranna ogé. Nu matak
talingakeun boga indung téh.
Ulah betah teuing di
dayeuh," ceuk Hansip Omo
ngalelemu Si Endi.
Késih ngiceupan ka salakina. Boni surti kana kahayang Késih.
"Rupina mah ieu masalah
téh kedah dilereskeun sareng
nu berwajib, supados janten
perhatosan kanggo sadayana." Boni muka deui
caritaan.
"Hak Ayi éta mah, pangurus sakadar nuturkeun.
Ngan, mun bisa, cuang
bérésan sacara kukulawargaan," ceuk RT Haris daria
naker. Kakarék beungeut Bi
Minah aya cengkat tutas
ngadéngé omongan Boni nu
nyabit-nyabit berwajib mah.
"Sacara kukulawargaan
téh kumaha carana, Pa RT?"
Késih nyelengkeung. Si Endi
papelong-pelong jeung indungna.
"Kumaha kahayang hidep,
Jang?" Hansip Omo nalék ka
Boni.
"Heug atuh ari kitu mah,
kuring moal mamawa pulisi.
Ngan, saratna, kuring jeung
pamajikan ménta lokét nu
digasab ku Bi Minah dipulangkeun deui," ceuk Boni
bari mencrong seukeut ka Bi
Minah. Teu lila, Bi Minah
ngasongkeun lokét tina jero
saku calana, bareng jeung
tingcorowokna tatangga nu
keur lalajo. Lokét ditampanan Ku Késih, laju dibuka.
"Geuning ukur duaratus
rébu? Ka mana nu dalapan
ratus rébu deui?" Késih
jamotrot. Lokét dibabétkeun.
"Geus wé di Polsék benerkeunana ari rék kieu carana
mah!" Boni nyorongot. Hansip Omo jeung RT Haris
milu mencrong ka Bi Minah,
sedeng inyana mah kalah
olohok mata-simeuteun.
"Kumaha ieu téh, Minah!
Ditunda di mana sésa duit
téh?" Hansip Omo rada
nyureng. Di luar tatangga
mingkin récok, milu keuheul
ka Bi Minah.
"Naha, da..." Bi Minah teu
kebat, kaburu ditémpas ku Si
Endi.
"Teu kénging papanjangan, lah! Keun wé nu dalapan ratus rébu mah ku abdi
digentosan ayeuna kénéh,"
ceuk Si Endi ngabéla indungna, kituna téh bari kusiwel ngaluarkeun duit tina
lokétna. Tayohna mah
manéhna embung papanjangan, sok komo nepi ka urusan jeung nu berwajib. Duit
paméré ti Si Endi ditampanan ku Késih, laju
dibebeskeun kana lokét nu
tadi kungsi leungit. Sajongjonan euweuh nu nyarita.
"Urusan ieu geus bérés ari
kitu mah! Omat ulah aya
gantar kakaitan," ceuk RT
Haris, saméméh riungan
dibubarkeun.
"Pék geura ménta dihampura, Minah!" Hansip Omo
nitah ka Bi Minah. Teu
sirikna ngagabrug kana suku
Késih jeung Boni nu boga
dosa téh, bari biwirna mah
teu eureun ngahinghing.
Riungan réngsé tutas sakabéh nu dariuk di dinya
sasalaman. Bi Minah dibawa
balik ku Si Endi, kituna téh
leumpangna bari tungkul,
teu kuat paadu teuteup jeung
tatangga nu pada nyarurakan.
Di jero imah nu nyésa
tinggal Késih jeung Boni.
Duanana keur patingkecewis
nu ditungtungan ku seuri
tingcikikik, sanggeusna
Késih ngaluarkeun lambaran
duit bareureum tina jero
lokét, nu digeber-geberkeun
hareupeun beungeutna sorangan. ***
21
23. Nu Teu Kungsi Kedal
Carpon Nina Rahayu Nadéa
L
angit maju ka
soré. Kabéh nu
hirup kumbuh
mimiti ngarampih ka
tempatna séwangséwangan. Tapi teu kitu
pikeun kuring. Ti tatadi
cicing nyorangan di paléstér, nenget-nenget
kaayaan di sakuriling
imah. Sakapeung panon
manco ka jalan gedé.
Sugan jeung sugan nu diarep-arep datang.
“Yat, énggal geura ka
bumi tos sonten. Pamali,”
Ibu nyalukan ti jero imah.
“Muhun ké Bu, sakedap
deui,” kuring ngawalon.
Pikiran anteng lalamunan. Nyipta-nyipta nu leungit. Hendra nu geus méh
méh tilu bulan taya nganjang ka imah. Hendra nu
ngalandi kuring ‘si anak
22
mami’, pédah ka mamana
teu weléh dibaturan ku
ibu. Hendra babaturan
SMA, nu mimiti mapaésan haté. Tepung basa
reuni SMA, kuring datang
jeung Ibu. Tah ti harita,
Hendra mindeng ka imah.
Lain ngan saukur nganjang ka kuring, tapi ogé
tepung jeung ibu.
Ma’lum Hendra di Bandung ngan nyorangan.
Cukleuk leuweung cukleuk lamping. Hendra
kacida atoheunana basa
dina reunian ngobrol
jeung Ibu. Ibu miharep
sangkan mindeng nganjang ka imah. Teu anéh
lamun ka ibu téh siga ka
indung sorangan. Kungsi
haté kuring kaeuteupan
tugenah, keuheul duméh
Ibu leuwih merhatikeun
Hendra. Kuring anu
puguh-puguh anak sorangan, bet dianak-térékeun.
“His, teu kenging kitu.
Yati mah tos puguh putra
ibu. Ti gubrag ka alam
dunya nepi ka danget ayeuna kanyaah ibu tetep
ngocor. Kanyaah indung
sajati moal ilang.”
“Geuning Ibu beuki dieu
téh asa merhatoskeun waé
Hendra?”
“Hendra téh hirupna
nyorangan. Ibu mah sok
ras wé ka hidep. Lamun
hidep nyorangan di lembur batur. Leuh teuing
kumaha haté ibu,” ibu
nyarita panjang lébar.
Ayeuna kuring jeung
ibu asa kaleungitan. Teuing ka mana atuh jirim
Hendra? Ditelepon teu diangkat. Di-sms teu ngabales. Ditéangan ka
tempat kostna suwung.
Ngan anéhna, pakéanana
mah aya. Weuteuh.
Ditéangan ka kampusna
sarua deui ngiles. Pareng
ka kampus, babaturanna
miheulaan nanya. Jol itujol ieu nanya nu sarua. Ka
mana Hendra?
Dahareun di imah anu
biasana korédas waé,
ayeuna mah mindeng
nyésa. Da euweuh nu pirajeunan mérésan dahareun. Enya pan Hendra
mah ku kuring téh sok
disebut si tukang nyapu.
Tukang nyapu kadaharan
nu aya di imah nepi ka
beresih. Tara ieuh éra
dahar jeung mungkus
kadaharan keur ka tempat
kost-na. Ari ayeuna?
Nambru. Pangeusi imah
ngan duaan. Dahareun
loba waé. Komo ayeuna
taya Hendra. Balukarna
jadi teu pararuguh.
Bosen kuring ogé ngajawab pananya ibu. Nu
saban waktu nanyakeun
nu sarua. Ka mana ari
Hendra? Ibu jeung kuring
sarua leungiteun. Jeung
nu anéh téh, naha ieu haté
asa simpé? Asa tiiseun.
Comrék. Padahal basa
Hendra remen ka imah,
haté mindeng nyungkelit.
Sebel ka Hendra, pédah
datang waé ka imah.
Ngarebut kanyaah ibu.
Ku ayana Héndra, hubungan kuring jeung ibu siga
aya nu misahkeun. Aya
hahalang keur kuring nu
biasana ogo; ngadon
sumolondo na lahunan
Ibu. Gégéléhéan dina
kahéman ibu. Enya ogé
geus jadi mahasiswi.
Angger wé, pangrasa leutik kénéh. Kalan-kalan
dahar gé dihuapan.
“Antep wé, Bu. Sina
nyalira tuangna. Piraku
tos mahasiswi masih
kénéh dihuapan,” omong
Manglé 2443
24. Hendra dina hiji waktu.
“Ih sirik. Pédah tebih
sareng ibu nyalira,”
cekéng bari jebi.
Dikitukeun manéhna cicing. Sakapeung sok asa
dosa ka Hendra. Asa aing
nu boga imah, tara ieuh
ngagugu kana omongan
Hendra. Lebah kuring
keur ogo ka ibu, dihulag
ku Hendra.
Ari ibu? Sabada nyahoeun kasang tukang
kahirupan Hendra, kacida
karunyaeunana. Komo
barang nyahoeun keur
mayar kost, sasat beunang
babayar sorangan. Buburuh jadi guru privat ka
barudak leutik. Tara miharep kiriman duit ti
kolotna. Anu cenah kaasup jelema ripuh.
Kanyaah ibu nambahan.
Ningali Hendra anu
mandiri. Macakal dina
nyanghareupan bangbaluh.
Alhamdulillah kulawarga kuring hirup
leuwih ti cukup. Atuh
mindengna Hendra
ngalanto ka imah téh, jadi
aya batur pakukumaha.
Ibu geus nganggap Hendra anak sorangan. Keur
mah enya di imah euweuh
lalaki. Atoh wé nu aya.
Aya titaheun. Keur
ngoméan gas, listrik,
atawa kenténg nu bocor.
Ayeuna karasa pisan ku
kuring euweuh Hendra
téh imah tiiseun. Pangpangna asa kaleungitan
haté, nineung ku heureuyna. Tuda Hendra mah
si tukang bodor.
Saban poé di imah teu
weléh haneuten. Teu
weléh ager-ageran ku
omongan nu pikaseurieun.
Tisaprak Hendra tara
aya ka imah, haté kuring
beuki teu puguh. Dahar
teu mirasa saré teu tibra.
Gusti naon anu karandaManglé 2443
pan ku diri abdi? Naha ieu
haté bet cumantél waé ka
Hendra? Beungeutna,
saban waktu némbongan
waé. Ringkangna, sésélékét ngeusian lulurung
haté. Boa kuring geus
kaeuteupan tresna?
Ah, ayeuna mah rék
robah adat. Rék nyaah ka
Hendra. Nyaah ku haténa
nu beresih. Pan Hendra
gé mani nyaaheun pisan
ka kuring jeung Ibu. Hendra rék didagoan, gerentes kuring.
***
Geus dua taun Hendra
tara nganjang ka imah.
Haté geus mimiti biasa
kaleungitan. Sanajan dina
haté kuring angger neundeun rasa sono anu moho
ka Hendra. Éta rasa nu
ngagalura diteundeun dihadé-hadé. Engké, dina
waktu tepung, sagala rasa
nu ngagalura bakal ditamplokkeun ngan keur Hendra sorangan. Kuring seja
ngamumulé ieu rasa nu
tumuwuh. Hamo laas nepi
ka iraha waé.
Langit lumayung. Pulas
umyang. Kuring jeung ibu
keur ngalangeu hareupeun imah basa aya béca
eureun hareupeun buruan. Jrut hiji awéwé nu
keur bureuyeung turun,
dituturkeun ku hiji lalaki.
Écés moal salah tempo.
“Hendra....” kuring
ngagorowok bakat ku
atoh, laju lumpat nyampeurkeun manéhna.
“Yati,” manéhna
ngarangkul kuring.
“Ieu téh Yati, adi akang
nu sok diobrolkeun téa,”
walon Hendra ka awéwé
di gigireunana.
“Nepangkeun Anis.”
“Yati,” manéhna ngajak
sasalaman.
“Leuh geuning Hendra.
Ka mana waé, Jang?”
“Ibu...kumaha
damang?”
“Pangésto. Euh geuning
sareng....”
“Oh, muhun Bu,
nepangkeun ieu pun
bojo.”
Jelegér kana haté aya
anu neunggeul, alah batan
gelap tengah poe éréngéréngan. Leungeun nyekel
tihang kembang nu aya di
gigireun. Aya nu ngoléang
jeroeun haté... ngalalar
teuing ka mana. Duh,
Hendra naha anjeun
datang, bet saukur
ngabaruang tineung?
Malidkeun kakangen nu
geus ngamuara dina mumunggang rasa. Haté
sumegruk.
“Yati, hayu. Lain ngahuleng kitu,” sora ibu ngagebah rupaning galura nu
teuleum na leuwi haté.
***
“Yat, nepi ka iraha rék
nyorangan waé. Énggal
geura nikah. Karunya ka
ibu.”
Kuring neuteup
panonna. Paadu teuteup.
Aya nu nyérédét ningali
seseukeut panonna nu
liuh linduh.
“Ari nikah téh pan
kedah sareng nu dipicinta,
Hen.” Luk kuring tungkul
teu wasa paadu teuteup.
“Cinta mah engké gé
nuturkeun, Yat. ”
“Ah, tapi Yati mah
sigana moal tiasa micinta
nu lain. Angger wé maskét
ka manéhna,” aya geter
nu ka luar tina sora kuring.
“Naha saha atuh lalaki
nu bagja tiasa dipicinta
jeung dipitineung ku Yati
téh?”
“Rusiah,” ceuk kuring
halon.
“Sing percaya ka Hendra cinta mah baris nuturkeun. Buktosna wéh
Hedra.”
“Hendra teu cinta kitu
ka Anis?”
“Kapungkur. Kunaon
Hendra ngaleungit di ieu
kota. Harita ti lembur aya
telepon sangkan gancang
ka lembur. Pas di ditu pun
bapa téh geuning wales.
Malah dugi ka hanteuna.
Tapi sateuacan anjeunna
ngantunkeun, anjeuna
omat-omatan sangkan
kersa nikah jeung Anis.
Tadina mah Hendra
mungpang. Da Anis téh
masih katalian ku dulur.
Jeung teu aya rasa bogoh.
Manéhna geus dianggap
adi. Tapi émut kana
amanat bapa. Sieun doraka mun teu dilaksanakeun. Tapi alhamdulillah
teu burung haté Hendra
kaeunteupan tresna.
Komo deui sakeudeung
deui jabang bayi bakal
lahir. Kanyaah, kageugeut
ka Anis beuki tamplok.”
Ehm Hendra, lamun anjeun nyaho. Lalaki nu
salila ieu dipicinta. Salila
ieu marengan haté taya
lian iwal ti anjeun. Nya
anjeun nu geus
ngadéwasakeun diri kuring nu salila ieu dianggap
budak kénéh. Rasa nu
mimiti neut-neutan ka
kuring pikeun hirup
mandiri. Tapi ayeuna rasa
nu mimiti karembangan
téh kudu maluguran
méméh mangkak.
Saéstuana, kuring kudu
sukuran ka Pangéran. Aya
hiji lalakon nu kungsi
marengan kuring.
Lalakon ngeunaan tumuwuhna hiji rasa nu
ngagalura dina jeroeun
dada.
Kacinta jeung katresna
kuring ka anjeun rék diteundeun di hadé-hadé. Katresna kuring nu teu
kungsi kedal ka anjeun,
rék dipupusti. Dipiguraan
na jero haté. Mugia éta
pigura bisa dieusi ku nu
lain.
Mugia....****
23
25. Ratu Siluman Oray
K
asangsaraan
hirup anu panjang, kanyeri
kapeurih anu
lir taya tungtungna, lieuk euweuh
ragap teu aya, budak
remen ceurik nahan
lapar, pamajikan mindeng rambisak, nganaha–
naha, bet hirup pinanggih
lara sangsara. Nyeri, hate
rajet asa disasaak, jiwa
mangprung kumalayang
mapay–mapay panglamunan anu can puguh dimana eunteupna, bi
ngung, liwung.
Rek menta tulung
menta tulung kasaha, da
puguh cukleuk leuweung
cukleuk lamping, aya oge
dulur di kota lain pentaeun jalma masakat,
sabab dulur–dulur jareneng jadi menak, beurat
beunghar lubak–libuk
loba harta. Kahirupan
urang kota ieuh loba anu
araraneh, imah ublug
ablag lega, kamarna pabalatak, tapi lamun kadatangan semah urang
kampung, imahna
ngadadak ngariut ngaheureutan, beda jeung
urang kampung, imahna
heureut leutik, tapi lamun
kadatangan tamu, eta
imah anu tadina heureut
bet ngadak–ngadak
ngalegaan.
Ku terus ngungkung
24
Ku Andang S. Argayuda
kabingung jeung loba
barobeda pikir, antukna
jiwa teh bobor karahayuan, kaludeung ka teuneung dina nyanghareupan
hirup ilang musnah tina
pangarasa, antukna jadi
kaeunteupan gindi pikir,
lat poho katemah wadi
lali ka purwa daksi.
Buleud patekadan seja
neangan dunya barana
pikeun ngarobah hirup,
geus gilig ati rek tapa ka
gunung sugan panggih
jeung anu bisa mere harta
banda anu loba, rek siluman ke, rek bangsa jin
teu paduli, asal bisa mere
harta banda anu loba rek
di sorang bae, kitu patekadan harita, kawas anu
enya.
Nitih wanci nu mustari
nincak kana mangsa nu
utama, rebun–rebun
keneh geus nyulusup
ngasruk diantara rungkun–rungkun nu tingrunggunuk baseuh ciibun,
srog anjog ka pileuweungan nu paroek caneom,
areuy–areuyan rambay
tina dahan kiara anu nya
jangkung nya badag
ngarampidak, sora turaes
nyengsreng matak keueung matak maruringkak
bulu punduk, beh handap
cai walungan herang ngagenclang, lauk beunteur
ting kucipak ka hilirkeun
ka girangkeun, jujukutan
jarangkung bala disisi
gawir nu lungkawing.
Luak–lieuk, rarat–
reret, breh beulah tonggoh palebah mumung
gang aya padataran bolenang, sisina tingjalugrug
batu sagede–gede leuit,
padataran iuh linduh ka
payungan dangdaunan nu
keur meujeuhna hejo
ngemploh. Dina sela–sela
batu diuk sila merenahkeun diri, ngarenghap
panjang ngareureuhkeun
jiwa, mupus sagala barobeda pikir anu matak
ngaganggu kosentrasi.
Luk tungkul panon
dipeureumkeun pangrasa
dihirupkeun, sagala
kabisa diwatek diamalkeun, jumerit maratan
langit, sukma kumalayang mumbul ka elak
paul, neang pangharepan.
Jempling, diri ngaheneng ngaraga meneng
diantara hiliwirna angin
gunung nu nyecep tiis
kana sungsum balung,
renghap halon, jantung lir
eureun endagna, bibilasan. Teu kanyahoan ti
dituna, ujug–ujug aya
angin puyuh ngagelebug
muter palebah eta padataran, leungit angin
puyuh, janggelek hareupeun titingalian teh aya
wanoja dangdanan putri
raja, jangkung lenjang
dikabaya panjang
nganggo sinjang rereng
gading, nyampeurkeun
ngadeukeutan.
“Kang gugah kang“.
Lir koneng katetesan
apu, panon lalaunan
dibeuntakeun, ari breh,
luncat bakat ku kaget,
panon bolotot sungut
molohok ngembang kadu,
luak lieuk bari garo teu
ateul kawas jalma kurang
saeundan. Nu tadina
batu taringgul, nu tadina
leuweung geledegan, robah jadi gedong sigrong,
buruan lega pinuh kurupa–rupa kembang nu
keur mangkak bareukah,
seungitna ngahiliwir
angin–anginan. Leuwih
kaget deui dina teras
gedong bet aya putri
geulis camparenik, kulit
hejo carulang, cangkeng
lengkeh lir papanting,
rarayna lir bulan purnama, ah geulis lain pupulasan.
“Beu, iyeu kula aya dimana.” Hate pinuh ku
pananya.
“Wilujeng sumping
Kang.” Bet eta putri
geulis teh ngabageakeun
ku sora anu halimpu di
barung imut ngagelenyu,
socana seukeut nembus
jantung nu ngadak–
ngadak motah, teu puguh
wirahma.
“Eu anjeun saha, jeung
kuring aya dimana.”
Manglé 2443
26. Najan ketug jantung tutunggulan maksakeun tumanya ka putri geulis nu
nyantong hareupeun.
“Abdi anu katelah Diah
Pramanik, akang nuju aya
di karajaan Giri Manggala.” Nu geulis teh ngajawab daria dibarung ku
imutna anu kareueut,
sakapeung panonna mencrong kawas anu nyidik–
nyidik kana tantungan
diri.
“Diah Pramanik? Giri
Manggala? Asa teu ngarti
ieu teh, naha nyata atawa
ngimpi kuring teh?”
Hemeng, araneh, tadi teh
aya dileuweung ganggong
Manglé 2443
ano caraneom barala,
naha ayeuna bet aya di
tempat anu kacida endahna.
“Henteu ngimpen Kang,
salira leres–leres aya di
ieu tempat janten tamu
agung kanggo sim abdi
Kang, yu ka lebet Kang.”
Ngajak ka jero gedong
sigrong bari leungeuna
nuyun leungeun asup ka
jero wangunan anu
agreng.
Blus kajero gedong,
beuki kaget deui bae, jero
gedong teh kawas istana,
ubinna ditutup ku permadani warna hejo anu
gambarna banget ku
endah, mayakpak sakuliah rohangan anu ublug–
ablag lega, dina lalangit
lampu hias tina kristal
raranggeuyan ting kolenyay harerang.
Ngarengkog rada asa–
asa rek neruskeun lengkah teh, kakaraeun asup
ka nu kararieu asa kasima, ret ka hiji kamar anu
pantona muka, ebreh dijero kamar, tempat sare
make kulambu anu ditaretes hiasan kembang tina
emas, kembang eros jeung
malati ngampar dina
kasur, seungitna mani
melengseng neumbag
irung.
“Teras lebet Kang, teu
kedah isin pan salira teh
tamu agung sim abdi,
urang nepangan pun
biang di lebet Kang.” Eta
putri geulis teh ngabebenyeng ngajak ka jero
gedong rek nepungan
ibuna cenah.
“Aya saha Nyai? jiga aya
tamu lalaki?”. Ujug–ujug
aya anu nyampeurkeun
awewe sakoloteun nyi
putri, geulis deui bae
awakna jangkung lenjang,
pakulitan hejo carulang,
dikabaya panjang sinjangna batik rereng koneng.
“Ieu tamu agung Bu,
anu sumping ti alam
manusa”.
“Sok atuh sina calik
urang ngobrol, sakalian
sadiakeun tuangeun
sareng leueuteun”. Eta ibu
nyi putri bet bageur–
bageur teuing, padahal
karek oge tepung.
“Ujang, ibu di dieu
hirup duaan, ibu rarandaan, ari anak ibu masih
parawan keneh, kabeneran hidep datang ka
dieu”. Si ibu teh daria
naker ngabageakeun ngajak ngobrol nyaritakeun
dirina.
“Punten Bu, tadi teh
kukupingan kadongkapan
sim abdi teh nyebat
kaleresan, kaleresan
kumaha Bu?”. Mairan
kana caritaan si Ibu bari
hayang apal kana maksud
caritaannana.
“Muhun kaleresan
pisan, Ibu teh nuju milari
pisalakieun jang anak ibu,
katingalina hidep cocog
jang pisalakieun anak
ibu“.
Nyambung ka kaca 30
25
27. Mekelan Guru
Mupus Anggapan Kaliru
Loba nu boga anggapan, ganti menteri ganti kurikulum. Naha enya kitu?
Tah, éta patalekan téh aya jawabanana dina In House Training (IHT) nu diayakeun
di SMK Angkasa Kota Bandung.
U
mumna nu anyar tara langsung
katarima sagemblengna. Kitu
deui ngeunaan Kurikulum 2013,
apan teu kabéh narima sacara langsung.
Malah, di antarana aya nu nganggap
ganti sotéh pédah ganti mentri wé.
“Tangtos anggapan kitu téh kedah
dilelempengang,” ceuk Johanes Kumiling, S.Pd., Kepala SMK Angkasa Kota
Bandung.
Tujuan IHT gé, ceuk Kepala Sakola,
taya lian ti leuwih ngawanohkeun
paraguru kana éta kurikulum. Lantaran,
keur pangajar mah, kurikulum téh
padoman atawa alat geusan nepikeun
élmuna ka parasiswa. “Salaku guru,
tangtos kedah tigin kana aturan sarta
ngalarapkeun kawijakan pamaréntah
kalebet nu tumali sareng kurikulum,”
ceuk ieu Kepala Sakola lulusan UPI Bandung téh.
In House Training lumangsung dua
poé (14-15 September 2013). Eta kagiatan meunang pangrojong sagemblengna ti pihak Yayasan Ardhya Garini
nu mayungan éta SMK. Dina éta acara
gé Ketua yayasan, Ibu I Nyoman Trisantosa nétélakeun pangrojongna kana
upaya pihak sakola geusan ningkatkeun
ajén para guru. ”Hasil atikan bakal témbong tina ajén lulusanana,” pokna
tandes naker. Ku lantaran kitu, cenah,
rupa-rupa tarékah geusan ningkatkeun
ajén lulusan kudu diupayakeun ku ngaliwatan rupa-rupa cara, kaasup ningkatkeun ajén guru.
Ibu I Nyoman Trisantosa, Ketua Yayasan Ardhya Garini
26
Nyenagkeun Haté
Mémang ilahar, kurikulum mah kudu
ganti. Kitu téh, ngindung ka waktu
mibapa ka jaman, sangkan kurikulum
tetep luyu jeung kabutuha nu ngajamanan. Nu kawas kitu téh, ditétélakeun
ku Dedi Darmawan, S.Pd.,MM., Kepala
Bidang SMA/SMK Dinas Pendidikan
Kota Bandung.
Manglé 2443
28. Maheutkeun lengkah, ngalaksanakeun kurikulum 2013
Ieu pajabat Diknas Kota Bandung nu
ogé budayawan téh nétélakeun, Kurikulum 2013 ditataharkeun jeung dilarapkeun geusan nyorang mangsa nu leuwih
hadé. Éta kurikulum ogé dumasar kana
pameredih kiwari jeung mangsa ka
hareup nu mingkin dieu mingkin maju.
Hartina ogé dunya atikan kudu mampuh ngajawab panangtang jaman!
Naon nu jadi paneueulan éta kurikulum, tangtu wé kabutuh hirup kumbuh
sagemblengna. Hirup manusa, lain ukur
butuh karaharjaan, tapi deuih tungtungna mah salamet dunya ahérat. Ku
lantaran kitu, atikan gé ngawengku
Imtaq (iman jeung takwa), Ipteks (ilmu
pengetahuan jeung tehnologi), sarta
ahlak jeung moral (Amor). Kitu ceuk
Dedi Darmawan.
Hasil atikan, ceuk Kabid, bakal écés
kagambar tina paripolah jeung ajén lulusan. SMK boga udagan jinek, nganteurkeun lulusan kana widang-widang
nu samistina, saperti nyiptakeun lapangan gawé, mampuh digawé di tempat
séjén, jeung boga kamampuhan migawé
pagawéan. “Intina, lulusan téh jadi nu
nyenagkeun haté, di mana waé ayana,”
pokna.
Hartina, cenah, lulusan SMK mah,
pangpangan boga kamampuhan dina
migawé hiji pagawéan luyu jeung ulikan
élmuna di sakola. Nya, tangtu deuih, teu
nutup lolongkrang pikeun barudak
neruskeun sakola ka nu leuwih luhur.
SMK Angkasa Husein Sastranegara,
keur urang Kota Bandung mah, moal
bireuk deui. Ieu sakola nu aya dina papayung Yayasan Ardya Garini téh
ngadeg taun 1967. Ti waktu ka waktu éta
sakola terus mekar, jadi pangjugjugan
Manglé 2443
barudak nu boga karep neruskeun
ngalap élmu di sakola kajuruan. Éta
sakola, nyadiakeun piliheun barudak nu
boga karep dina widang-widang nu tumali jeung téhnik. Barudak bisa milih,
da aya Teknik Instalasi Tenaga Listrik,
Teknik Pemeliharaan Mekanik Industri,
Teknik Kendaran Ringan. Tiluanana
nyangkin ajén “A” dina akréditasna téh.
Upama éta sakola jadi pangjugjugan
barudak, ogé lantaran pangjurung kolotna. Kolot murid gé, ningali wewengkon sakola nu perenahna di Jalan Lettu
Subagio téh, matak tingtrim kolotkolotna.
Dina lingkungan nu kawas kitu, pangaruh disiplin masarakat lingkun-
ganana, sakola gé jadi aman. “Sepuh
murang kalih gé tiasa jongjon nyakolaken di dieu mah, da kajamin moal aya
ririweuhan, moal aya tawuran,” pokna.
Sakola SMK, ngahiji jeung SMA. Duanan gé meunang kapercayaan masarakat. Buktina, apan jumlah muridna gé
689 urang, aya dina 24 rombongan belajar. Kelas sapuluh,sabelas, jeung dua
welas, masing-masing genep kelas.
Jumlah murid anu sakitu, diaping ku
para guru nu jumlahna.
Upama éta sakola terus nanjeur, mémang deuih raket jeung lingkungan.
Pihak sakola gé engeuh kacida kana
kakuatan budaya lokal téh.
“Murangkalih tetep sina apal kana budaya lingkunganana,” pokna.
Tumali jeung budaya, Kepala Sakola
nu teureuh Jakarta téh, mémang boga
pamanggih husus. Cenah, dirina mah
anak kolong nu lampar mimilu ka
mana-mana luyu jeung pancén gawé
sepuhna.
“Mung pun bapa mah rupina
langkung kataji kana budaya Jawa
Barat, kumargi kitu, miwarang abdi
sakola gé di Bandung,” pokna ku basa
Sunda nu lancar.
Di SMK Angkasa Bandung, guru
jeung barudak gé, remen kénéh cacarita
basa Sunda. Komo deui poé Rebo mah,
da ngahususkeun nyarita basa Sunda.
“Abdi mah percanten paripolah saé murangkalih tiasa kajurung ku budaya
lingkunganana,” pokna.***
(tim manglé)
Johanes Kumiling, S.Pd., Kepala SMK Angkasa Kota Bandung
27
29. Nyukangan Jungkrang
Ngawalatrakeun Kamajuan Jawa Barat
Kamajuan Jawa Barat teu walatra. Aya nu maju aya nu tinggaleun kénéh. Kituna téh écés pisan
dina sarana jeung prasarana di masing-masing wewengkon. Kumaha ngungkulanana?
Saha nu misti ngabebenahna?
K
a mana waé ngalengkah, salila di
tatar Jawa Barat mah, teu weleh
bruh-breh harepan kamajuan.
Ngan, nya kitu, dina émprona mah, pangwangunan di tatar Jawa Barat gé teu walatra. Aya wéwéngkon nu leuwih maju,
meunang panalinga nu daria ti pihakpihak nu boga wewenang, aya deui nu
kawas kaluli-luli. Nu kawas kitu téh, eces
upama ngabanding-banding tatar Jawa
Barat pakaleran, tengah, jeung kidul.
“Wewengkon kidul masih nyésakeun pasulan nu misti sagancangna dibebenah,”
ceuk Dr. H. Gunawan Undang, M.Si., Stap
Ahli Anggota DPD RI.
H. Gunawan nyontokeun, nogencangna
pangawangunan tatar Jawa Barat, nembrak naker upama leukeun ngimeutan
wewengkon pakidulan. Geura we, mun
mapay-mapay wewengkon ti mimiti Pelabuhan Ratu, Cianjur, Garut, Tasik, jeung
Ciamis wewengkon basisir kidul, loba
keneh nu misti dibebenah. “Hengkerna
sarana ogé balukarna mah mangaruhan
kana kahirupan masarakat,” pokna basa
ngobrol sawatara waktu ka tukang di Bandung. Upaya ngamajukan Jawa Barat geus
jadi rarancang ti baheula. Nincak taun
2012, ceuk H. Gunawan, pamarentah
ngancokeun Metropolitan Priority Areas
(MPA). Tapi, proyek pangwangunan gawé
bareng antara pamarentah Indonesia
jeung Jepang téh can terintegrasi sacara
gembleng jeung pangwanguan di Jawa
Barat. Padahal, éta pangwanguan teh
butuh investasi kira-kira Rp 410 triliun.
Jumlah proyek nu ditargetkeun rengse
dina taun 2020 téa, di antarana ngawengku konstruksi jalur Mass Rapid
Tranportation (MRT), mekarkeun palabuhan anyar sekala internasional di Cilamaya (Karawang), ngalegaan Bandara
Soekarno-Hatta, jeung mekarkeun sistim
saluran cai kokotor di Jakarta.
Regulasi pangwangunan pamaréntah
28
Dr. H. Gunawan Undang, M.Si., stap ahli anggota DPD RI
Manglé 2443