Successfully reported this slideshow.
We use your LinkedIn profile and activity data to personalize ads and to show you more relevant ads. You can change your ad preferences anytime.

Mitra Sunda - Mangle 2441

7,471 views

Published on

  • yn rhedeg allan o arian parod, wedi blino o ostwng y banc a gofynion, angen cyllid i weithredu eich prosiect / Busnes neu sydd angen Benthyciad brys? trafferthu dim mwy, Rydym yn benthycwyr benthyciad ardystiedig, rydym yn cynnig benthyciad i'r corff unigol a chorfforaethol ar gyfradd llog isel o 2%. Os oes gennych ddiddordeb, atebwch nawr am ragor o fanylion trwy .. premierfinanceholdings@msn.com DUIC ERIC CYLLID MACRO PREMIER TEXT LINE: +1 718-285-3588 premierfinanceholdings@msn.com
       Reply 
    Are you sure you want to  Yes  No
    Your message goes here

Mitra Sunda - Mangle 2441

  1. 1. “Uyah mah tara téés ka luhur!” Kitu ceuk paribasa gé. Hartina, di antarana téh paripolah jeung kalakuan kolot bisa netes ka handap. Atuh, mun ti luhurna hadé, nya gedé harepan jeung kamungkinan ka handapna bakal hadé. Harepan medalna generasi nu hadé, di antarana téh ngandelkeun kaum wanoja. Da arinyana, apan nu jadi guru munggran jeung utama keur barudakna téh. Hartina, kaum wanoja nu jadi tuturus rundayan, kudu boga kamampuh jadi cukang lantaran medalna generasi pinunjul. Sabalikna, mun wanoja hengker, éta kahengke- ran téh bakal jadi bangbaluh pihak séjén. Ku lantaran kitu, kamajuan kaum wanoja ogé, hartina demi kamaslahatan masarakat sakumna. Hak wanoja bagian hak asasi manusa. Nanjeurkeun hak asasi wanoja, sarua jeung nanjeurkeun hak asasi manusa. Sabalikna, mun hak wanoja katideresa, hartina ogé aya sabagian manusa nu katideresa hak-hakna. Loba nu percaya, nanjeurkeun hak jeung kawajiban téh di antarana, bisa ngaliwatan dunya pulitik. Ku kitu- na, da di dinya huluwotanna kakawasaan geusan matéahkeun wewenang keur kahirupan balaréa. Atuh, kaludeung ancrub kana widang pulitik gé sawadina mekar ti kulawarga kénéh. Mitra, upama aya hawar-hawar wanoja masih kénéh hariwang upama manggung ka nu leuwih luhur, bakal gedé pangaruhna ka lingkungan kulawarga. Rundayan nu jadi generasi mangsa ka hareup, kacida butuhna pangaruh lingkungan nu pangdeukeutna, kaasup pangjurung nu jadi indung. Mitra Manglé, nomer ieu ngolongan pamanggih Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes., Pupuhu Pusat Penelitian & Pengembangan Gender dan Anak (P3GA) Universitas Padjadjaran. Di antarana nu jadi bukur catur téh, pentingna kaludeung kaum wanoja dina pulitik. Cindek- na, wanoja Sunda gé kudu boga kamampuh jeung kaludeung makalangan dina widang pulitik geusan kamaslahatan balaréa. *** Ngajurung Ludeung Kaum Wanoja 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. SAJAK Padung Ari Andriansyah ................................ 8 PURIDING PURINGKAK Jadi Jurig H Usep Romli HM .......................... 24 UNAK-ANIK Kahirupan Biduan Dangdut Di Kota Leutik ......................................................... 44 GUGURITAN Gandrung Liwung Entoh T Satibi ................................. 48 CARITA PONDOK Basa Sakola Kabanjiran Holisoh ME ..................................... 20 Sapanjang Jalan Ka Subang Tety S Nataprawira ............................. 26 DAR W I N Onnok Rahmawati .............................. 46 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle ALit ..................................... 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (1723) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (11) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Fenty Jesica 5 TAMU Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.; Wanoja Sunda Kudu Ludeung dina Pulitik Potret:Reisyan Dur subuh téh geus hudang, da diguyah- guyah ku Ema. Padahal panon mah hayang peureum kénéh. Tuda wayah kitu mah keur meumeujeuhna disimbut buni, bari ceuli ngadédéngékeun nimat- na si jago kongkorongok di pipir....... 20 Basa Sakola Kabanjiran
  3. 3. Mangga­ti­Payun D ina sawatara taun katompérnakeun karasa pisan marudahna sawatara inohong Sunda téh. Babakuna anu galedé angkeuhanana kana urusan pulitik. Ari batur anu daratang ka Tatar Sunda bisa jaradi jelema, naha ari urang Sundana sorangan teu kitu? Urang Sunda téh apan étnis nomer dua panggedéna di Indonésia tapi naha ari dina widang pulitik kahancenganana téh saeutik pisan? Nu jadi mentri waé teu réa. Padahal pantes mun aya nu jadi wakil presidén gé. Urang Sunda salila ieu éléh bersaing. Kira-kira kitu anu mindeng ka- bandungan téh. Naon atuh nu jadi sababna? Nya para inohong Sunda téh ngajidiri atawa ngayakeun intro- spéksi. Aya sababaraha rupa anu geus ditembrakkeun téh, salasa- hijina ngeunaan babasan anu salila ieu diparaké ku urang Sunda. Babasan sabangsaning handap asor, soméah hadé ka sémah, geus ti béh ditu kénéh diusulkeun ulah diparaké deui dina pajamanan saperti ayeuna mah. Akibatna kalah négatif ka urang Sundana sorangan, cenah. Anu ayeuna-ayeuna keur meujeuhna populér téh babasan mangga ti payun. Cenah nu ieu gé négatif balukarna. Nu matak ulah kitu, ayeuna mah geus waktuna kudu diganti ku punten kapayunan. Nu ieu mah leuwih positif, cenah. Dina pasamoan-pasamoan resmi gé sawatara inohong Sunda kiwari geus paséhat pisan umajak sangkan mangga ti payun dirobah jadi pun- ten kapayunan. Ngan lamun rada dipikiran deui, dina kabiasaan atawa tradisi kahirupan urang sapopoé, asana henteu kitu larapna éta babasan téh. Babasan mangga ti payun tara dilarapkeun ka sambarang jalma, tara ditujulkeun ka saha baé. Mangga ti payun mah dilarapkeun- ana téh ngan ka jalma-jalma anu pantes dihargaan jeung pantes diajénan. Upamana baé ditujulkeunana téh ti nu sahanda- peun ka nu saluhureun, ti murid ka guru, ti santri ka ajengan. Ka jalma anu baragajul mah asa tara aya anu ngalarapkeun mangga ti payun. Ari ngajénan ka jelema anu pantes diajénan atawa ngahargaan ka nu pantes dihargaan, apan éta mah salasahiji ciri adab dina campur- gaul. Tur lain urang Sunda baé anu boga tradisi kitu téh. Sabalikna lamun santri ka ajengan atawa murid ka guru nyebutkeun punten kapayunan, éta mah teu mustahil bakal disebutna ogé colonos, teu nyaho di adab. Papadaning kitu mémang sakuduna naon-naon anu geus nyampak jadi adat, kabiasaan atawa tradisi ditafsirkeun deui dumasar kana pangabutuh jaman. Dipilih-pilih deui mana anu bisa kénéh dilarapkeun, mana anu sabalikna. Hal ieu gé sipatna uni- versal. Unggal bangsa gé boga pangalaman anu saperti kitu. Di lebah dieu engkéna bakal kanya- hoan, mana anu sipatna umum mana anu spésifik dina widang- widang husus wungkul. Komo deui dina kaayaan pabéntarna tradisi anu geus nyam- pak di urang jeung pangaruh anu datangna ti luar. Ayeuna mah apan geus blas-blus pisan asupna panga- ruh ti luar kana kahirupan urang sapopoé téh. Nu kungsi kaalaman ku Shih Nin Chi bisa dijadikeun salasahiji conto. Manéhna téh ti Cina bubuara ka Amérika Serikat. Ari urang Cina apan kasohor, pageuh pisan dina nyekel tradisina. Salasahiji anu jadi bekelna téh buku leutik anu eusina papatah jeung babasan supaya bisa hirup mulya di dunya.Tangtu wé nurutkeun tradisi luluhurna. Barang dilarapkeun dina kahiru- panana di Amérika, loba anu nam- bag. Salasahijina, babasan anu unina kira-kira saharti jeung babasan nu aya di urang, nyaéta kandel kulit beungeut. Dina tradisi Cina gé sarua, éta babasan téh goréng hartina. Jadi, ulah dipaké. Malah kudu jadi pantangan. Tapi manéhna boga pangalaman séjén. Kungsi digawé di asuransi, ceuk manéhna, lamun ngagugu kana éta babasan, rék iraha bisa ngajual polis? Da tara aya jelema anu langsung asup asuransi tina sakali tepung. Lamun keukeuh- peuteukeuh ngagugu kana tujuan babasan kandel kulit beungeut, sakali ditolak terus teu didatangan deui, tangtu nepi ka iraha ogé moal beubeunangan. Ceuk manéhna, dina éta urusan mah babasan kan- del kulit beungeut téh hartina bisa positif. AM Manglé 2441 3
  4. 4. 4 Manglé 2441 Sampurasun! Bangsa Indonesia nu soméah hadé ka sémah, nu silihélédan, nga- luhurkeun siliharegaan, jigana méh sirna, kaléléd ku harakna hubuddunya. Balukarna pasipatan urang jiga nu leungit ko- mara. Kasaksén pisan dina sagala widang. Dina widang politik mah geus karuhan, geus patulayah jalma-jalma nu tiap poé salin rupa jeung sipatna. Da, cenah ari dina politik mah, lamun teu licik moal genah. Beu! Meureunan jalma nu cicing dina poli- tik, boa-boa jujur jeung amanah téh geus jadi musuh dirina. Upama bangsa geus kitu, ulah salah nu karieu téh bakal mawa pirus kana widang- widang séjénna. Ayeuna kasaksén aya béja nu leuwih parna, cenah pangmaceuhna nu ngalakukeun korupsi, nyaéta jalma-jalma nu cenah harayang ngurus agama di Departemen Agama. Ieu tangtu bahla! Rék kamana atuh bangsa urang diurusna. Pa- maréntah deui nu disebut PNS, keur geunjleung, cenah raresep korupsi. Malah PNS ngora ogé, loba teu euleum-euleum némbongkeun pakayana, améh arapal ‘uing pang- beungharna’. Teu sadar maranéhna geus dipatok panghasilanana. PNS nu sasatna mung saukur ladén masarakat, geus tibalik hayang jadi jura- gan. Nya antukna baroga sipat kumawasa. Saha nu salah lamun geus pa- nyakit ieu narajang ka unggal jalma? Aya deui keur di dunya hiburan sepakbola. Bangsa urang deui-deui némbongkeun sipat em- bung siliélédan, embung siliharegaan. Nu aya sili- jongklokeun, silisalah- keun, ahirna masarakat moal deui paduli kana omongan pamingpin. Dualisme nu ngayakeun sepakbola di urang, hiji bukti, pamingpin resep ngaragragkeun urusan ahlak. Sakitu waé surat ti simkuring, mudah-muda- han hiji waktu tiasa di- sambung deui. Bah Somad Ti Sumedang Sampurasun! Nyi Mangle, ngaban- dungan nanjeurkeun hukum di urang, singhoreng beuki teu jelas. Saperti waktu Djoko Susilo nu korupsi perala- tan Simulator tea, apan mani cetek. Teu saimbang jeung polah nu matak pa- tojaiyah jeung cita-cita bangsa. Euh... maenya korupi nu sakitu gedena, dihukum ngan 10 taun. Eta deuih nungtutna asa formalitas ngan 18 taun. Cek simkuring mah, nu ngurus ieu nagara pangpangna dina nan- jeurkeun hukum, para hakim geus ngalelece kaadilan hukum. Padahal, hukum apan lianti keur kaadilan dirina oge keur mere palajaran ka sing saha wae, sangkan ulah ngalakukeun. Ari ieu? ko- rupsi nu sakitu miliyaran ngan dihukum 10 taun, atuh cetek pisan. Lain oge matak arembung, tapi geura jadi harayang. Tah lamun jadi harayang, hartina nu nanjeurkeun hukum geus salah tina tujuan. Ku kituna, kuring mah aneh kabina-bina. Naha atuh loba jalma nu pinter teh bet tapi teu mangpaat. Asa lebar deuih nu palinter, mang- taun-taun neangan elmu mangratus- ratus juta keur biaya sakola, ari der teh teu mawa mangpaat. Lebar.... lebar.... den nu karitu teh. Anggur si, an- jeun kudu ngariksa diri, kudu apal kana hakekat maot. Kabeh oge moal aya nu dibawa tah lamun geus mayit mah. Mana keur ge mungpun keur hirup, hayu urang hirup nu bener, nu jujur, nu ihlas, nu bener-bener mawa mangpaat keur batur. Sakitu wae nyi Ma- ngle. Hatur nuhun. Ibu Nita Rostita Ti Majalengka Jawa Barat Nganti Pangorba- nan Kiwari, kasadaran daék ngorbankeun hak- hak pribadi kacida pereluna. Da, kitu dina kahirupan manusa salaku mahluk sosial mah. Éta téh tandaning tuwuhna kasadaran yén manusa silihpikabutuh. Bukti dina nyumponan panga- butuh gé taya saurang ogé nu leupas tina jasa jalma séjén. Kadaharan, pakéan jeung sajabana enas- enasna mah meunang batur. Kasadaran daék kor- ban (kalebet nu sakedap deui bade meuncit hewan kurban), samistina nye- rep kana ati sanubari. Nu daék korban, hartina namperkeun kanyaah ka nu lian. Lian ti kitu, hartina ogé, dirina téh keur ngawangun jati diri atawa ngawangun ajén dirina. Dina saban kahirupan, komo deui jaman kiwari, sumanget daék korban kacida dipikabutuhna. Da, upama masing-ma- sing pihak daék korban keur pihak séjén, piraku boga karep ngarampas hak pihak séjén. Lantaran keur nu daék korban, tong boro ngagasab hak nu lian, dalah nu geus jadi milikna gé teu teu lebar dikorbankeun keur pihak séjén. Haturan salam Ti Ibu Mimin Cipadung Bandung Sipat Siliélédan, Ka manakeun? Nganti Kaadilan Hukum
  5. 5. H ak wanoja bagian hak asasi manusa. Nanjeurkeun hak asasi wanoja, sarua jeung nanjeurkeun hak asasi manusa. Sabalikna, mun hak wanoja katideresa, hartina ogé aya sabagi- an manusa nu katideresa hak-hakna. Ku kituna, upama aya hawar-hawar wanoja masih kénéh hariwang upama manggung ka nu leuwih luhur, éta téh salah kacida. Sapertina waé, kiwari, pangpangna wanoja Sunda, seueur kénéh nu ngarasa hariwang upama ancrub kana widang politik. “Hawar-hawar, yén politik téh kotor, mé- mang seueur mangaruhan kana ketak wanoja, dugi ka aya nu mendag mayong aralimeun maranggung kana widang poli- tik,” cek Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes., pupuhu Pusat Penelitian & Pengemba- ngan Gender dan Anak (P3GA) Universitas Padjadjaran, muka obrolan waktu tepung di kantorna Jalan Banda Bandung. Dina panalinga Dr. Nina, anggapan kitu tangtu sagancangna diluruskeun. Lantaran, perjuangan nu tumali panang- tayungan, cumponna, jeung panghor- matan kana hak asasi kaum hawa, jinek ngabutuhkeun tanggung jawab sakumna pihak, kaasup kana kawijakan nu aya di legislatif, éksékutif atawa yudikatif. Lan- taran deuih, cek ieu pangarang buku ‘Revi- talisasi Pusat studi Wanita’, kiwari, démokrasi téh teu weléh jadi kacapangan, jadi gambaran kahirupan nu ngajénan sasama. Ku lantaran kitu, nagara nu démokrasi gé kacida dipikacangcamna. Harepan kitu, teu anéh, da di nagara démokrasi, rayat téh nu boga kakawasaan nu pangluhurna. Kadar éta aya nu jadi pamingpin, apan enas-enasna mah man- dat ti rahayatna. Dina masarakat nu démokratis, aya jaminan hak-hak pulitik sakumna warga. Ku lantaran kitu ogé, jinek ayana hak-hak saban golongan, kaasup kaum wanoja. Kasadaran sakumna pihak kana-hak wanoja kacida pereluna. Lan- taran, mémang dina kanyataanan mah, can saperti dina tiori téa. Najan puguh aya aturanana, wanoja meunang hak anu sarua kawas lalaki, dina émprona mah teu kitu. Buktina, apan masarakat gé ilahar kénéh nempatkeun wanoja dina kalungguhan nu teu samistina. Ku kituna, bajuang keur nanjeurkeun hak-hak kaum wanoja, cek ieu paniten gen- der, butuh cara nu jinek. Upama di tingkat internasional aya Deklarasi Beijing Plat- form, nu jadi cukang lantaran medalna program-program penting nu tumali jeung kaadilan gender, nya dina tingkat lokal tinggal ngalarapkeunana. Carana? Cek Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. tetep kudu ngahijikeun kakuatan nu aya di tingkat lokal, sapertina waé ayana Forum Komuni- kasi & Kajian Gender Jawa Barat jeung teu pegat koordinasi. “Kacida pentingna teras koordinasi antar widang, lembaga, paguron luhur sareng pamaréntah,” saurna tembres. Upama Dr. Nina Djustiana, drg., M. Kes. apal pisan kana ketak wanoja kiwa- ri, mémang di dinya icikibungna. Lian ti nyekel pancén di lembaga panalungtikan jeung mekarkeun gender di Universitas Padja- djaran, ogé loba diondang jadi narasumber di sababaraha tempat, pangpangna sual ke- tak kaum wanoja dina pangwangunan. Dina panalingana, ketak wanoja, husus- na di Jawa Barat, mé- mang tacan unggul dina widang pulitik. “Ketak wanoja Sunda dina sual pulitik Manglé 2441 5 Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.; Wanoja Sunda Kudu Ludeung dina Pulitik
  6. 6. sapertos nu teu warantun,” cek Dr. Nina nu pernah mancén pupuhu Pusat Penelitian Peranan Wanita, Lemlit Unpad téh. Dina bagian séjénna, cek ieu ahli kesehatan, sabenerna, pangwangunan Jawa Barat geusan ngaronjatkeun ajén kaum hawa teu kurang-kurang. Buktina, kaum wanoja di Jawa Barat dina sual ajén mah teu kurang-kurang. Loba kaum wajo- na nu nanjeur dina widang atikan jeung ékonomi. Hartina dina sual ajén sumber daya manusa (SDM) mah kacida reueusna. Ngawalakayakeun kaum wanoja, ceuk ieu istri Ir. Ardhana Putra PhD, mémang teu babari, malah bangga kacida. Lantaran, bangbaluh nu tumali jeung salah hartina pamahaman ngeunaan ‘gender’ kacida matak rugina keur kaum wanoja. Naon atuh ari ‘gender’ téh? Taya lian ti bédana peran, pungsi katut tanggung jawab antara lalaki jeung awéwé nu nga- wujud ku lantaran wangunan sosial bu- daya. Hartina, gender mah, bisa robah dumasar kana kamekaran jaman jeung pangrojong masarakat. Ku kituna, nyawalakeun gender jeung kakuatan kaum wanoja, penting kacida. Lantaran kaum wanoja témbong kacida dina peran pangwangunan nepi ka saban daerah. Ku kituna, Dr. Nina, ngarasa perlu ayana tarékah-tarékah nu natrat dina raraga sosialisasi gender ka masarakat. Henteu waé di masarakat tapi ogé ka kam- pus-kampus. Saperti di Unpad, tétéla Dr. Nina, miharep ka saban fakultas sangkan ngajarkeun mata kuliah nu patali jeung masalah gender. Ngagedurkeun Kasadaran Pamahaman nu bener kana pancén kalungguhan jeung pancén kaom wanoja, nepi ka kiwari, masih kénéh aya anggapan, yén pagawéan kaom wanoja mah, luyu jeung kodratna. Padahal, ari profési mah, lain ditangtukeun ku kodrat, tapi ku ka- mampuhan. Nya ku lantaran kitu, deui- deui pamahaman ngeunaan gender téh jadi penting. Aya kekecapan nu sakapeung mah dipacorokeun. Enya, antara sesebutan awéwé (jenis kelamin), kodrat, jeung gen- der téh dalit naker. Ngan, ari enas-enasna harti jeung maksud mah béda pisan. Mahluk nu disebut awéwé mémang kodratna ‘karesebab’, kakandungan, ngalahirkeun, nyuusan ku cai susuna, jeung ‘menopouse’. Nu ditatan bieu mah, sipatna téh biologis, da mémang kudratna awéwé ti Nu Mahakawasa. Ari gender mah, bédana peran jeung pungsi antara lalaki jeung awéwé nu sipatna téh robah jeung bisa robah lantaran ‘buatan’ sosial budaya masarakat. Kitu di antarana ogé nu cukang lantaran ngadegna lembaga panalungtikan jeung kamekaran gender jeung anak (P3GA) Universitas Padjadjaran. Atuh dina sual séjénna, pangpangna 6 Manglé 2441 Dina palatihan nyegah KDRT di Bogor Sakulawarga Nataharkeun program, nanjeurkeun ajen kaum wanoja.
  7. 7. Manglé 2441 7 dina raraga nguatan karep kaum wanoja dina rupa-rupa widang, apan butuh léngkah-léngkah anu jinek. Tangtu wé, loba pakalangaan nu bisa diasupan ku kaum hawa geusan nguatan jaringanana. Kituna téh saperti Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. dina mupuhuan lembaga P3GA Unpad. Ieu lembaga ogé, boga udagan nu jinek, nyaéta ngayakeun kagiatan panalungtikan jeung palatihan ngeunaan gender dina sababaraha widang; sosial, budaya, ékonomi, pulitik, nepi ka muncul karya nu ilmiah nu saterusna jadi bahan rekomendasi keur nu boga kapentingan, dina sual pamahaman gender jeung masalah anak. “Alhamdulillah, P3GA salawasna ngayakeun panalungtikan ka saban tem- pat, di antarana waé, nalungtik nu patali sareng naskah akademik keur Pergub Pengurus Utamaan Gender Jabar, bakti sosial ka nu kamusibatan longsor, masihan penerangan patali nyegah kekerasan, trafiking, ogé sawala dina nguatan ketak wanoja di Jawa Barat,” cek Dr. Nina Djus- tiana, drg., M.Kes. Sual nguatan ketak kaom wanoja, pangpangna dina organisasi pulitik, teras dihangkeutkeun, utamana sual perluna lembaga koordinasi sual ajén wanoja nu rék ancrub dina widang politik. Ieu perlu, lantaran cek Dr. Nina, sual ajén politikus wanoja bakal mangaruhan kana perjoa- ngan wanoja nu sagemblengna. Kaum wanoja nu kadieunakeun témbong per- anna ka saban widang, boh dina sual kasehatan, sosial, hukum, budaya, sosial jeung sajabana, tangtu bakal butuh politi- kus wanoja nu hadé ajénna. “Sual ajén kaum wanoja dina pulitik, rupina kedah ditingkatkeun,” saurna deui. Melaan nu Katideresa Nina Djustiana, teureuh Majalengka. Waktu leutik kénéh mémang geus resep buméla ka kaum nu katideresa. Atuh ba- baturan harita, sok ngarasa sugema upama dibarengan ku Nina. Saperti, waktu sakola di SDN IV Padalarang, loba kaum lalaki nu éléh upama adu hareupan. “Waktos alit resep adu hareupan sareng pameget atanapi saha waé nu sok curang. Duka kumaha, abdi mah sok wantun nyang- hareupan, dugi ka sarieuneun,” saur ieu putra Bapa Sadeli Hardjawikata sareng ibu Siti Saodah téh, nineung ka jaman baheula. Dr. Nina dikantunkeun ku ramana waktu nincak yuswa opat taun. Ku kituna, upama aya kekecapan karuhun, indung tunggul rahayu, nya kitu pisan nu karasa ku Nina Djustiana gé. Saparantosna dikantunkeun ku ramana, indung (Ibu Siti Saodah) téh jadi pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Matak, baheula keur budak, indung salawasna sok mapagahan prinsip hirup keur pikahareupeun. “Naon nu dipilampah, salami aya dina jalan nu leres, ulah mangmang, jalankeun waé,” saurna Dr. Nina, nirukeun ucapan papatah biangna nu natrat nepi ka kiwari. Margi kitu, papatah mandiri, éstuning jadi tuturus Nina Djustiana dina nyiar élmu pangaweruh saterusna. Sabada sakola SD ti dua sakola, SD Cililin sareng SDN IV Padalarang taun 1969, neruskeun ka SMPN Padalarang. Lantaran ti keur SD nepi ka SMP prestasi congcolang kacida, nya teu hésé daftar ka sakola favorit ogé. Saperti waktu daftar ka SMAN 3 Belitung Bandung, ti SMPN téh ngan saurang nu di- tarima. Ngan waktu abus ka SMAN 3, béda sumur béda tampian. Karasa pisan ku Nina gé. “Ma’lum namina ti daérah, waktos abus ka SMA, rada ararisin saalit minder. Atuh waktu aya nu ngajak jadi babaturan, harita atoh kabina-bina,” cek Nina nineung ka mangsa rumaja. Ti harita, Nina beuki ludeung beuki mancegkeun cita-cita. Kituna téh deuih pangaruh biangna, nu harita icikibung di organisasi wanoja, di BKOW Padalarang. Ketak biangna nu témbong sumangetna, ahirna nurun ka diri Nina. Ti harita mah, panceg wé cita-cita téh, hoyong jadi dokter, sakumaha wargi iparna, pangpangna harita ningal dr. Arman Natalegawa. Adumanis antara keyeng jeung élmu pangaweruhna, Nina gé neruskeun kuliah ka Fakultas Kedokteran UNPAD, sok sana- jan harita gé daftar UI katarima. “Abdi milih UNPAD, lantaran caket,” saur ieu panitén kasehatan masarakat nu ogé per- nah dilélér anugerah Program Hibah Peningkatan Kelembagaan PSW/G Penelitian jeung Publikasi Ilmiah. Neuleuman élmu kadokteran salila ku- liah, keur Nina, singhoréng teu cukup jadi bekel hirup saterusna. Atikan sepuhna nu resep kana kagiatan sosial, keur diri Nina, ahirna teu bisa leungit. Ku kituna, saréngséna kuliah ti Unpad, taun 1988 biur nyiar élmu ka Australia, pernahna di The Departement of Preventive Dentistry, Syd- ney University. Di antara diajar élmu sosial jeung informatika. Teu cukup semet dinya, ti 1994-1997, saréngséna ngawangun rumah tangga, ngajatukrami ka Ir. Ard- hana Putra PhD wedalan ITB, diteruskeun neuleuman deui élmu kedokteran di tingkat Magister di Unpad. Taun 2004 réngsé nyangking gelar doktor masih dina élmu kadokteran di Unpad. Ieu sepuh tilu putra, Ammalia Prama Putri, SH., Aradhea Perdana Putra, ST., sareng Adria Permana Putra, drg., lian ti sapopoéna ngajar di Ilmu Teknik jeung Material Kedokteran Gigi Fakultas Kedok- teran Unpad, ogé sering ngaluuhan sababaraha kagiatan di unggal tempat, boh nasional boh internasional. Saperti dina palatihan Pemetaan Permasalahan Tindak Pidana Perdagangan Orang ngaliwatan Pendidikan, Indonesian Dental Associa- tion Joint Meeting di Bali, ogé ngaluuhan Dental Material Congress - Bangkok Thai- land, jeung kagiatan-kagiatan séjénna. Kitu deui dina kiprah ngabebenah kawijakan pamaréntah daérah, di antarana dipercaya jadi tim Penyusunan Draft Peraturan Gubernur keur Pengarus Utamaan Gender di Jawa Barat. Saabreg kagiatan nu kacangking, keur Dr. Nina nu kiwari nganjrek Jl. Pecah Kopi No. 34 Sukaluyu Bandung, teu ieuh jadi halangan pikeun ngabdikeun diri di masarakat, pangpangna dina mer- juangkeun hak-hak kaum wanoja. “Insya Alloh, ka payunna, hoyong ngabdi dina widang sosial baé. Kituna téh hoyong nga- bantos kanggo ningkatkeun karaharjaan masarakat,” saur Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. nutup obrolan. *** (RH) Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. (katuhu), sareng Dr. Hj. Nenny Kencanawati, M.Si.,Kepala BP3APKKB Jawa Barat waktu acara ‘Koordinasi Fasilitasi Forum Komu- nikasi & Kajian Gender Jawa Barat’
  8. 8. Ari Andriansyah Padung Béhna mah raga teu bisa nyumputan kalangkang ringkang Najan lawas miceun salasah, ngabaruang isarah lampah Teu burung jonghok jeung ramo-ramo nu halon keketrok Tapi dareuda sampurasun bet karungu halimpu sora tahlil Sedeng hégak nu ngarampésan ngan wasa ngedalkeun rénjag Panto bedas digedor, léngkah-léngkah pati ningker buruan Ngadago lebah golodog, ngagero ngaweredonan lalakon Di dieu, taya nu leuwih buni batan samuni demitna takdir Salawasna kasungsi raratan sanggeus kalaip jeung ruruhit Nyésakeun belewuk taneuh beureum dina bangbarung umur Panto tinggal tulak rujad, sukma satangtung padung bejad Mukakeun bulungbung lawang ka rangkulan iuh hanjuang Laju luhur palupuh waktu satumpuk liwung jangkep asiwung Turta rarangsak samak sirara taranjang raga diamparkeun Kana lalambaran boéh nu geus nganti-nganti meulit diri Walahar, 2012 Tetengger Anjog urang ka dieu, ngiuhan dina liliuh samoja Medar ruruba rusiah dina geter jeung tetengger Sabada saniskara nu kapibanda kaurugan taneuh beureum Di dieu, taya hartina ngampihan jejerih jeung kapeurih Sésa inghak nu leslesan, cimata nu leungiteun sungapan Geus diawurkeun jadi amayak rampé papastén saampar jalan Anjeun atawa kuring heula nu baris miheulaan miang Taya bédana. Wanci geus ti heula ngagedatkeun ngaran Jeung titimangsa dina tetengger séwang-séwang Manglé 24418
  9. 9. Naon nu kudu diabar ludeung sabada keueung Ngajirim lalancip sekin saban wirahma talkin Gelik pati langgeng nyaring saban kelak situncuing Di dieu, kayakinan ngarangrangan sadahan sukma Lir samoja nu terus muguran kana lahunan. Taya nu bisa Nohagaan anggang, rénghap saraket sarapet boéh Urang sadrah rék ngageubra saliliran, rék tibra salenyapan Tuluy lunta siraraan, ngukur-ngukur kujur kuburan Rék ngagolérkeun impian jeung banusan luhur paésan Karawang, 2012 Layon Ukur lalamur panon basa pasaran ngangkleungkeun layon Ngarayapan nogéncang taktak, ti geter ka geter réma samoja Taya kedal ungkara, taya aweuhan madakeun keclak inghak Jalan urang, jalan satapak nu ngayuga tungtung jarak Sapanjang tarhim jeung talkin nyangkalak sakur talajak Satemenna lain jisim nu nganteur bangkarak deungeun Éstu waruga sorangan mayang bugang séwang-séwangan Saban samporétna reureuh, saban beungeut pulas taneuh Isarah miang jeung mulang salawasna nakon lalakon Nganteng saban ringkang kalangkang jeung boéh rarang Basa layon cunduk satengahing parentul tutunggul padung Bet aya nu rerencepan bingbrit tina rangkulan sukma urang Sabot ngitung balung balitungan antara kebatna sorangeun Jeung bedasna sasambat kalakay ditilar ranggeuman régang Tuluy aya nu pugur kana lemah, aya nu beueus batan cimata Ciampél, 2012 Ari Andriansyah, lahir di Bandung 18 Januari 1988. Alumnus Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda UPI Bandung. Nulis di sawatara média. Dumuk di Karawang, guru Basa Sunda SMAN 1 Ciampél. Manglé 2441 9
  10. 10. 10 Manglé 2441 Bagian 172 Peuting ka-195 Kacatur deui Putri Budur. Lilir tina saréna. Pipikiranana nyantél ka nu cikénéh kaalaman. Nyéh imut sorangan. Kakara harita ngararasakeun kabungah nu taya papadana tepung jeung lalaki. Da, apan saméméhna mah, tong boro resep, teu mikir- mikir acan hayang tepung jeung lalaki téh. Nyah putri beunta. Rarat-rérét ka sabudeureunana. Nu disangka bakal paamprok jeung teuteup lalaki nu dipikacangcamna téh, nyalahan. Nu dipisono teu kasampak, duka di mana. Putri téh sedih. Segruk wéh ceurik. Rarasaanana asa diteungteuingan, asa anu asih dipulang sengit. Dirina nu micinta taya papadana, teu narima wawales ti éta lalaki. Ceurikna putri téh beuki tarik, nepi ka nu séjén gé ngadengéeun. Atuh ngadéngé dununganana ceurik ba- ngun kanyenyerian, parabadégana gancang nyalampeurkeun. “Ku naon Enden Putri?” “Ema, ka mana ari lalaki nu tadi peuting aya di dieu?” Nu ditanya pungak- pinguk. Da, teu kungsi nempo aya jalma séjén lian ti putri. Méméh nga- jawab, ema pangasuh téh ngahuleng deui, da mé- mang teu ngarti kana pananya dununganana. “Ih, kalah ngahuleng! Ka mana lalaki nu tadi téh?” “Saha téa, Juragan?” “Eh, kalah malik nanya. Sidik nu di- tanyakeun téh lalaki nu tadi téa. Piraku andika teu nganyahoankeun ka mana léosna!” Saterusna, Putri Budur téh nétélakeun dedegan jeung rurupaan éta pa- muda. Cenah, kaasup dedeg jeung rurupaanana nu hésé babandinganana. Dirina gé nu salila ieu teu kataji ku lalaki, harita mah ngarasa éléh jajaten, teu bisa nyumputkeun kaayaan haténa. “Ngimpi panginten, Juragan!” Ngadéngé omongan kitu, putri téh asa diang- gap bodo balilu. Ku lan- taran kitu, nyel ambek, gantawang nyarekan si ema pangasuh. Lian ti kitu, éta nini-nini téh nepi ka dijengut terus disuntrungkeun. Nyaksian dunungan- ana kitu, badéga séjénna patingjarérit. Atuh puguh wé kaayaan di dinya téh jadi ibur. Béja pabéja- béja nu ahirna mah, riributan di tempat putri Budur nepi ka raja. Raja jengkar ngajugjug tempat putrina. Sadatangna ka éta tem- pat, langsung nanyakeun kaayaan anakna. “Sehat hidep téh?” “Pangésto, Ama.” Saterusna, Putri Budur nanyakeun lalaki nu aya di kamarna peuting tadi. Ditéték, cenah, waktu dirina lilir, kasampak aya lalaki gigireunana. Ngan, teu kungsi tunya-tanya lantaran éta lalaki téh angger ngageubra teu bisa diajak ngobrol. Ngabandungan carita- an putri kitu, Raja Gayur kacida sedihna. Ceuk pikirna, anakna téh ka- gangu pipikiranana. Ku lantaran kitu, keur nga- jaga sangkan teu jadi ma- mala nu leuwih pohara, putri téh kapaksa diranté sarta dikerem teu meu- nang ka mana-mana. Raja gé satékah polah ngubar-ngabér éta putri. Ngan, ahirna mah, ba- ngun nu béak déngkak. Sakur tabib karajaan teu mampuh ngubaran Putri Budur. Pangaruh kakingkin raja, karajaan gé ngu- ngun, lir narik kolot. Ka- giatan-kagiatan karajaan loba nu kaganggu, lan-
  11. 11. Manglé 2441 11 taran pipikiran raja leuwih museur kana kaayaan putrina. Béak poé ganti minggu, béak minggu ganti bulan, putri angger kénéh waé. Omonganana ngan ukur nananyakeun lalaki nu teuing di mana ayana. Da, mémang taya saurang ogé nu kungsi nyaksian aya lalaki ngu- lampreng ka lebah kamar putri téa. Raja gé ahina mah ngyakeun saembara ngubaran putri. Sakur tabib sohor dionadang sina datang. Tangtu we, pangbibitana ge lain lulumayanana, da bakal dibere hadiah nu matak pikaheroyeun saréréa. Ngan, nya kitu, sakur jalma pinter jeung nu kasebut tabib gé taya nu mampuh ngubaran Putri Budur. Alhasil, putri raja angger dianggap siwah! Kaayaan putri Budur kawas kitu, lir nu terus rasa ka dulur sasusuna. Baheula, waktu pada-pada budak, Putri Budur téh kungsi disusuan ku nu sejen kalayan boga dulur sasusu nu ngaranna Mar- wazan. Eta pamuda téh lunta ka jauhna néangan élmu jeung pakasaban. Nya harita, manehna teu weleh tibelat ka lembur hayang balik, nu ahirna maksakeun manéh mulang ka bali geusan ngajadi. Sadatangna ka imah, éta pamuda téh nanyakeun Putri Budur nu dianggapna geus jadi dulur saturunan. Atuh kanyaahna gé moal bina ti kaadi teges. Nyabit-nyabit kaayaan putri, indung éta nono- man téh balaka, nyari- takeun kaayaan Putri Budur nu sabenerna. Cenah, memang geus kitu nasibna, nu asalna rék direremokeun ku ramana téh, ahirna mah kalah siwah. Marwazan kacida sedihna. Pok nyarita hayang nepungan dulurna sarta susuganan bisa ngubaran nu keur nan- dangan musibah. In- dungna nyaluyuan, ngan cenah, kudu titih-rintih ulah nepi ka kanyahoan ku raja. “Kumaha atuh carana, Ma?” Keun wé ku ema urang pikiran heula. Mun geus puguh, engké hidep jeung ema urang langsung nga- datangan putri Budur. Ngan, omat pakarepan hidep ayeuna ulah di- ucah-aceh ka nu sejen. “Mangga ngiringan kumaha Ema.” Indung Marzawan mé- mang lain si itu si éta keur kulawarga karajaan mah. Matak, upama téa mah datang ka lingkungan Putri Budur, tangtu wé bakal dibagéakeun. Ku kituna, indung Marwazan gé kalayan rerencepan datang ka tempatna putri Budur. Kituna téh bari mawa oléh-oléh keur nu ngajaga Putri Budur. Sanggeus barangbéré, indung Marwazan cacarita, nyebutkeun aya kaperluan ka purti Budur bareng jeug anakna. Nya geus kabeuli haténa mah, paraponhgawa nu ngajaga téh ngidinan éta awéwé datang deui ka éta tempat bareng jeung anakna. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2441 B euki karasa ku Nyi Rapiah, yén pangna Ujang Kusén, -salaki- na, barayana!- nepi ka ngalakon jadi parantéan jeung pangna dirina pribadi nepi ka jadi cocooan para nonoman baleunghar téh, batin-batinna mah paneka jeung paneumbag “aturan” hirup kumbuh harita, bibita babon poko mah duméh ménak dikacikeun saka- wenang-wenang, duméh kaadilan sosial pincang, nepi ka Ujang Kusén teu werat teu kaduga ngadakwahkeun Aom Usman anu ngacak- ngacak imah tanggana, neukteuk duriatna! Jaba ti kapiheulaan sérab ku kaménakan téh, da geus teu aya untupan meunang. Jaman harita mah di mana aya somah wani merkarakeun menak, ngimpi gé kawasna diangir mandi. Sataun ka tukang mah Nyi Rapiah cadu teuing boga pikir kitu, saperkara kaitung budak keneh, ka duana jelema gede hate –perbawa duit- jeung baroga pangarti, lacur-lacur ge ninggang di jelema pinter tur calakan cara Nyi Piah, salahna téh dumeh dibarengan ku karep males, abong keur kausap setan. Kajadianana, nya badami jeung Nyi Dampi katut Agan Lilis, sina ngagerejud maruna, itung- itung bela dina dorakana, bari mulangkeun kanyeri dumeh ngalindih. Nyi Dampi tadina mah adug-adugan, nolak, basana teu sanggup ka eta mah, lain gegel-gegeleun nu ompong. Ceuk Nyi Piah: “Duka geus sabaraha rebu kuring nguntungkeun ka Bibi. Awak kuring nepi ka dilele- cih dijieun kocomberan, teu magar kumaha. Ayeuna Bibi dipentaan tulung sakitu, tur sareatna mah nguntungkeun ka Bibi, bet rek tega ka ku- ring. Lamun Bibi kolu ka kuring, atuh urang semet dieu bae, kuring moal nin- cak deui ieu sawarga-setan. Jeung kuring moal asa-asa bebeja ka pangagung ngaboker rasiah ieu panonoban jurig!” Ngadenge ancaman kitu, sajongjonan mah Nyi Dampi mani calangap bawaning kaget, teu nyana Nyi Rapiah arek kitu beledagna. Lilis nempas: “Atuh urang sarere dibui, eneng oge milu dibui!” Nyi Rapiah: “Geus nekad! Ku Kuring geus di- itung nepi ka dinya. Naha make sieun dibui, da doraka eukeur, boga dosa enya. Mati-mati dibui, dayeuh Bandung bakal ngurangan widadari-iblisna, sugan masarakat ge ngurangan bokbrokna!” Nyi Dampi nyuuh kana lahunan Nyi Rapiah bari ceurik: “Tobat Agan, anan Ema, ampun Geulis, ulah waka anggeus-anggeusan kitu. Sabar jimat, mustika Ema, alon heula ...,” jeung rea-rea deui. Ayeuna urusan téh jadi tibalik, lain Nyi Rapiah nu kakeupeul ku Nyi Dampi jeung Lilis, tapi pati-hurip Nyi Dampi jeung Lilis aya dina dampal leungeun Nyi Rapiah. Tadina mah bawa- ning jengkel, Nyi Dampi nepi ka boga pikiran arek ngabaruang ka Nyi Piah, tapi da comblang piduiteun, diperenkeun eta mah atuh cara miceun berlian tina watang ali, jeung enya, lamun tea Agan Sari nepi ka beunang dipikat, moal teu nguntungkeun kana “pausa- haan”, bener teu geulis ara Nyi Piah tea mah, tapi bubuhan kasipuh ku elmu kahibaran ku pangabisa, sorotna ge rada beda. Badamina jeung Nyi Dampi kieu: “Ku pokal Rapiah, Aom Usman rek di- paksa unggal Jumaah, Saptu, Minggu kudu kilir di Nyi Rapiah. Jadi malem eta mah katut poena, di Agan Sari lowong. Tah dina mangsa lowongna kitu, masabodo Nyi Dampi jeung “layanna” jangjina: “Lamun nepi ka tanggal 1 bulan puasa Agan Sari teu nepi ka dibawa kabur ku kabogohna, Nyi Dampi rek didak- wahkeun. Nyi Dampi nu geus kakeupeul dayana ku Nyi Rapiah beurat-beurat ge nyanggupan; padahal dina hatena mah Nyi Piah henteu tegaeun ari nepi ka Agan Sari dibawa kabur mah, ngancam sotéh nyingsieu- nan bae. Cindekna badami geus asak, jangji geus pa- heut. Kungsi guru magahan { 11 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2441 13 kieu: “Lamun jalma rek dibere eleh sarta rek dibere apes, hatena ku Pangeran sok dijieun leutik, pikirna di- jieun sundek. Sabalikna, lamun Gusti ngersakeun jaya, jalma téh sok dibere gede hate, leber wawanen jeung jembar akal.” Eta pamagahan kawas teu salah, lamun urang nenjo galar-gilirna lalakon Nyi Rapiah dina nyanghareupan Nyi Dampi sabatur-batur katut ... Usman, salakina anu sawe- nang-wenang tea. Buktina, Nyi Rapiah urang pasar nu baheula camieul kurung batok téh ayeuna bet jaba ti sonagar téh kawas nu dipa- parin terbuka akalna, dipa- parin timbul kawanina. Alatan tina insap kana pin- cangna masarakat, jadi boga angkeuh sangeuk dijieun cara ka seupah bari ku jalma nu teu puguh jasana. Hiji mangsa Usman “pareng” hayang kilir ka Nyi Rapiah. Ku bojona ditampa sakumaha biasa, teu aya riuk-riuk atawa rindat anu boga niat nalukkeun salaki. Pangakuna someah sareseh, gumati sakumaha sasari, ngan bedana ti biasa di dapur aya Si Roda, pidulu- ran Nyi Rapiah geus laer, jago penca di Nyengseret, keur ngorana mah dipika- gigis ku sa-Bandung, tuakng gebug, tukang teunggeul, malah Gan Ali ge –nu bareto mangmentakeun surat talak Nyi Rapiah ka Ujang Kusén tea, ku Si Roda mah kungsi diusap sirah diudaran gelung (lalaki oge baheula mah loba nu dibungkus ku bendo). Barang geus rada kolot, babalik pikir, komo barang ku haji Abdulraup dijeujeuhkeun mah, dijieun purah ngajaga toko jeung gudang, tuluy jinek. Ari sawara poe ieu ku Nyi Rapiah diala ti bapana dakuna mah sina ngajejeran ngomean dapur, diinjeum saminggu, sukur lamun satungluyna betaheun. Ku Ki Haji dijurungkeun. Ari si- horeng maksud Nyi Piah mah, Si Roda téh arek ngageretak Aom, lamun nepi ka ambek. Nya eta atuh, Nyi Piah téh kawas keur dipa- parin terbuka, dumadak rea akalna. Kituna téh babakuna tadina dibere bongbolongan ku layan Nyi Piah, Anom Luih, anu diajak sarasiah. Ari Anom Luih téh, Walanda paranakan, ku urang Ban- dung mah disarebutna ge buaya Cicendo, kana akal bajingan jeung ekol pokrol bangbu téh cacakan ngora keneh pisan mah geus kaitung hatam. Tah, Nyi Rapiah tea ku eta diapapata- hanana malah diharewosan nyieun surat perjangjian sagala jeung Aom Usman. Cindekna mah Nyi Rapiah téh dibobotohan weh. Meu- jeuhna gede hate ge, mangkaning Walanda téh jaman harita mah, weu, lain lumayan diarambeuna. Ari kituna, saenyana Luih oge lain kajurung ku ihlas, tapi boga itungan. Lamun gujrud nepi ka baruntak, memang geus sadia arek nadah Nyi Rapiah sabab cek pikirna: tinim- bang kawin ka nona Wa- landa kapalang-tanggung mah atuh mending boga nyai-nyai ka Nyi Piah. Ka duana dina teu pegatna ti Usman, nu geus pasti daya Usman kakeupeul ku Nyi Piah, najan kabitur kalakuan ge, Usman seuseut rek gerakna. Aya saurupa hengkerna Aom Usman téh, nya eta kungsi nginjeum duit R 1500 –ka Haji Abdullarup, dakuna mah rek mangnebuskeun sawah Agan Sari, padahal dipake maen jeung rucah. Ari nginjeumna susu- lumputan ti ibu-rama, tandonna: imah katut tanah nu dicicingan ku Nyi Piah. Jadi, aya kudua Usman kalawan saleh sarta ihlas ngimahan pamajikan tur nu kolot téh! (hanca)
  14. 14. D itilik tina jihat jasmani atawa raga badag mah manusa téh taya bédana jeung mahluk nu disebut sato atawa héwan. Sahenteuna sarua pada-pada butuh kadaharan jeung ngi- num keur kalumangsungan hirupna. Tapi lamun ditilik tina kasampurnaan ciptaan Alloh, tétéla manusa leuwih onjoy batan sato. Di antara kaonjoyanana nyaéta manusa dipaparin kamampuh mikir lan- taran dilengkepan ku akal. Nya ku hal éta pisan manusa mah disebut ''hayawaanun naathiqun'' (sato nu sok mikir). Anapon kamampuh mikirna taya kajaba anging ku ayana atikan, boh langsung tina pangalaman hirupna sacara otomatis ngandelkeun in- stink atawa tina atikan nu datang ti luar dirina. Dina Islam, atikan téh mangrupa hidayah élmu nu kokocoranana tina wahyu Alloh sareng conto tuladan ti Rosululloh saw. nu maksudna taya kajaba anging sangkan manusa hirup kumbuh di dunya téh ajeg dina bebeneran, napak dina galeuh-galeuh kaimanan nu pamus- tunganana salamet di dunya rawuh ahérat. Dina emprona bakal katara nga- jauhan sagala hal cegahan Alloh. Fakta teu bisa dipungkir deui yén di nagara urang kiwari anu sasatna mibanda sumber-sumber ajaran moral linuhung boh warisan luluhur atawa agama, tapi réa kénéh masarakat nu ahlakna bejad kabina-bina. Nu curaling taya euih-euih- na, kamasiatan nalonggérak, oknum- oknum nu ngagasab duit nagara, para pamingpin nu kuduna jadi panutan tapi nyontoan teu bener, barudak ngora nu tigebrus kana dunya peteng, sakabéhna geus lain rusiah deui. Éta sakabéh tumiba alatan ngamomorékeun atikan nu sumberna ti Alloh sareng RosulNa. Da atuh kan- garanan manusa mah benerna téh kudu dibebener, élingna téh kudu dipépéli- ngan. Hartina, kudu diatik, dididik. Ari sabab, lamun teu dididik mah hirup manusa moal bina ti sato héwan anu sakadar hirup ngingilu jeung karep in- stink katut napsuna. Cindekna mah Islam ngawajibkeun unggal jelema narima atikan lamun hirupna hayang mulya tur salamet di dunya rawuh ahérat. Ku kituna teu hamham deui yén atikan téh mangrupa sarat mutlak keur mémérés ahlak manusa anu dina basa agama mah disebut dawah téa, tegesna umajak kana kahadéan geusan ngundeur kauntungan. Maju mundurna hiji masarakat, bangsa, jeung nagara anu luhur ajén martabatna nurutkeun papa- gon Islam mah gumantung kana dunya atikan/dawah dina harti anu jembar. Allah SWT ngadawuh nu hartosna: ''Jeung kudu aya di antara aranjeun kaom anu cumeluk kana kahadéan, nitah kana maruf jeung nyegah kamungkaran. Tah manéhna téh jalma-jalma anu arun- tung.''(QS Ali Imron: 104) Amar ma'ruf nahyi munkar Jadi, numutkeun ayat ieu tandes yén kaom anu baris metik kauntungan dina hirupna nyaéta anu prosés atikanana lumangsung kalayan merenah, aya nu daék ngélingan, nuduhkeun kana jalan hak jeung nyegah kamungkaran. Ngatik barudak ku ahlak nu Islami, hartosna ngipuk jiwa barudak sangkan jadi jalma soléh, teu tigebrus kana jurang amal salah. Mun téa mah kiwari nagara urang teu weléh dikiruhan ku pirang-pirang konta- minasi ahlak ramijud, bongan talajak jelemana nu embung nurut kana pituduh Nu Agung, mungpang kana kanyaah Nu Mahawelas. Murukankeun hirup répéh rapih, ra- harja lahir tumekaning batin téh ku papa- gon hirup awuntah ngalajur napsu ngumbar amarah, nerekabna kamasiatan di mana-mana. Lain, lain ku cara éta. Hirup répéh-rapih nu ngandung harti aya dina rohmat Gusti mah baris kasungsi lamun jalma geus daék ngalaksanakeun atikan hirup nu utama nyaéta amar maruf nahyi munkar, lamun paréntah Alloh sareng RosulNa dijalankeun sakumaha mistina sakumaha pidawuh Alloh Nu Mahaagung dina Kitab Suci nu hartosna: ''Jeung jalma-jalma anu iman, lalaki jeung awéwé, sabagéan maranéhna téh jadi tukang nulung pikeun nu séjen. Manéhna maréntah migawé maruf, nye- gah tina mungkar, ngadegkeun solat, ngalaksanakeun zakat, jeung maranéhna toat ka Alloh jeung RosulNa. Tah maranéhna téh anu dipaparin rohmat ku Alloh.'' (Surat At Taubah: 71) Kitu pituduh Alloh SWT sangkan urang meunang rohmat Mantenna. Hal éta baris tinekanan lamun saréréa geus kaatik kapribadianana ti leuleutik geus kapiara ahlakna ti bubudak. Sidik pisan ajén atikan nu sumberna tina ajaran ahlak anu hadé téh kacida pentingna. Saur ki juru pantun: "Meuli pitik ti Cipatik, nyiar salak ti Cibadak. Atik diri ti leuleutik bina ahlak ti bubudak." Ku kituna, keur kulawarga muslim mah ngatik diri katut kulawarga ku ka- soléhan téh mangrupa kawajiban anu teu bisa ditawar-tawar deui. Enya, atikan téh lain pagawéan joré-joré apan aya élmuna, aya sakola peresun keur calon para guru dina atikan formal sangkan hasilna mucekil téa. Ngeunaan kawajiban ngatik kulawarga ku kasoléhan di antarana kauninga dina Al Quran nu hartosna: ''Jeung paréntahkeun ka kulawarga anjeun (sangkan) ngadegkeun solat jeung sobar dina ngalaksanakeunana. Kami henteu ménta rejeki ti manéh, tapi Kami anu maparin rejeki ka manéh. Jeung aki- bat anu hadé téh pikeun jalma anu takwa.'' (QS Thohaa: 132) Teu hamham deui, ketak kulawarga geusan ngawujudkeun kahirupan bangsa jeung nagara nu maslahat téh kacida gedéna lamun teu rék disebutkeun kokojo gé. Apan enya tina individu-individu di Atikan keur Kasalametan Dunya jeung Ahérat Ku Féndy Sy. Citrawarga 14 Manglé 2441
  15. 15. unggal kulawarga anu ngawarnaan kahirupan anu leuwih jembar dina hirup kumbuh masarakat, bangsa, katut nagara téh. Lamun masarakatna jauh tina bebeneran, ahlak bangsa ogé bakal ka- pangaruhan. Ku kituna, atikan di kulawarga kudu répéh rapih. Al Quran nandeskeun sangkan tatali batin salaki jeung pamaji- kan téh salawasna kudu harmonis. Hubungan nu hadé saperti kitu, bakal jadi galeuh nu tanggoh dina kahirupan laki rabi. ''Jeung kudu gaul jeung maranéhna (para istri) ku cara anu pantes. Lamun maranéh henteu mikaresep maranéhna, (nya kudu sabar) ku sabab bisa jadi maranéh henteu mikaresep kana hiji perkara, padahal Alloh ngajadikeun kaalusan anu gedé tina éta perkara.'' (QS An Nisa: 19) Lamun salaki jeung pamajikan hirup akur, méré conto anu hadé ka kulawarga- na pangpangna ka anak-anakna, tangtu moal hésé nerapkeun atikan ka barudak ogé. Ku atikan agama anu kuat, dipiharep barudak jadi soléh anu isuk jaganing géto mulang tarima ka indung jeung bapana ku kasoléhan deui. Sabalikna lamun barudak teu diatik ku kasoléhan nya tangtu bakal malikan ku ahlak goréng ka kolotna. Padahal, dina Islam mah kitu peta téh kagolongkeun dosa gedé. Pida- wuh Alloh nu hartosna: ''Jeung Kami ngawasiatkeun ka manusa sangkan migawé kahadéan ka in- dung jeung bapana. Indungna anu geus ngakandung kalayan ripuh tur lemah jeung diporotkeun susuanana dina jero dua taun. Prak muji sukur ka Kami jeung indung bapa manéh.'' (QS Luqman ayat 14) Sangkan budak urang soléh, mibanda ahlak pinuji, jauh tina lampah doraka nya taya jalan deui iwal kudu diatik ku ajaran agama anu saenya-enyana. Kolot wajib ngaping ngajaring nepi ka déwasa, nyumponan kabutuh lahir batinna. Ulah nepi ka aya kajadian kolot maténi anakna alatan sieun teu kaparaban atawa alesan séjénna sabab kitu peta téh dipahing pisan ku Alloh sakumaha pidawuhna: ''Pacuan manéh maténi anak-anak manéh alatan sieun kalaparan. Kami nu baris ngarijkian maranéhna jeung manéh. Saéstuna, maténi maranéhna (barudak) téh kaasup dosa gedé.'' (QS Al Isro ayat 31) Anapon harti maténi dina ayat di luhur lain baé maéhan dina harti saujrat- na, tapi ngawengku harti majazi nyaéta maéhan dina harti ngantep anak teu di- atik teu dididik, teu disakolakeun, teu dideukeutkeun kana agama, sakumaha kasakséni di urang kiwari loba barudak jadi andar-andar. Maténi budak ku cara kitu kacida bahayana, nyatana maténi poténsi baru- dak ku cara teu tanggung jawab. Padahal apanan anak téh minangka amanat ti Gusti sangkan dipiara, diaping dijaring, dicumponan kabutuh lahir batinna téa sangka jadi ''manusa'' anu mibanda harkat darajat pinuji. Geusan nyumpo- nan hal éta téh taya kajaba anging ku élmu atawa jembarna mah ku atikan. ''Ngan wungkul jalma-jalma anu mibanda élmu anu sieun ku Alloh mah.'' (QS Fathir: 28) ''Alloh ngangkat darajat jalma-jalma anu ariman jeung jalma-jalma anu baroga élmu.'' (QS Al Mujadilah: 11) Ngaronjatkeun Harkat Darajat Kitu pidawuh Alloh ngeunaan mang- paat élmu nyatana élmu téh baris ngaronjatkeun harkat darajat manusa. Cindekna, moal aya manusa anu mibanda darajat pinuji anging ku élmu atawa atikan dina harti anu jembar. Dina lebah dieu unggulna manusa nu mibanda élmu téh teu cukup ku pinter, teu cukup ku apal, tapi nu leuwih penting mah ngamalkeunana, lain sakadar élmu ajug. Conto élmu ajug kabuktian di nagara urang kiwari. Oknum-oknum pajabat, pamingpin, nu kajiret hukum duméh curaling ngagasab harta nagara anu hakékatna milik sakumna rahayat nu disebut korupsi téa, apan éta téh tangtuna gé nu palalinter, wedalan sakola luhur. Ieu ciri benerna lamun dunya atikan leuwih condong kana kapinteran batan museurkeun kana ngatik widang ahlak, témahna matak cilaka. Saur sepuh mah pinter kabalinger téa. Alloh maparin pangwawadi ka jalma loba élmu tapi nihil amal. ''Contona jalma-jalma anu mamawa kitab, tapi teu diamalkeun eusina atawa teu dipikaharti sarua jeung kaldé anu mamawa kitab.'' (QS Al Jum'ah: 5) Najan mawa kitab saloba-lobana, kaldé mah tetep kaldé, moal bisa unggah darajat nu pinunjul. Nya kitu deui jalma anu pinter, gelarna ngabéréndél, jabatan luhur, réa pakaya, terus tigebrus kana lampah codéka alatan teu ngamalkeun élmuna, darajatna baris tigejrét. Malah dina ayat séjén mah ditandeskeun sarua jeung sato sabab teu ngagunakeun indra- na sakumaha ajén kaimanan. ''Saéstuna anu pangjahat-jahatna sato ngarayap numutkeun paningal Alloh mah nyaéta jalma anu torék, pireu, anu teu daék mikirkeun hiji hal.'' (QS Al Anfal ayat 22) Mugia urang sadayana teu kagolong- keun ka kaom ''dawab'' nyaéta anu teu ngagunakeun akal jeung pikiran geusan ngamalkeun élmu anu geus dipibanda. Sakali deui, mekelan budak ku élmu jeung ahlak pinuji malah mandar jaga jadi jalma nu mibanda ajén diri téh kacida pentingna. Barudak, sawadina lain baé pinter, cerdas, parigel, tapi kudu mibanda bénténg anu tanggoh nalika nyanghareu- pan pangrobéda hirup. Anapon pangrobéda hirup anu utama numutkeun saréat Islam taya kajaba anging godaan sétan sakumaha nu kaunggel dina Al Quran nu hartosna: ''Jeung singsaha anu maléngos tina pangwawadi Nu Mikawelas (Alloh), Kami ancokeun keur manéhna sétan, maka sétan téh jadi sobat keur manéhna.''(Surat Az Zuhruf: 36) ''Satemenna Kami ngajadikeun sétan- sétan téh pamingpin pikeun jalma-jalma anu teu iman.'' (QS Al A'rof: 27) Kitu pidawuh Alloh ngeunaan godaan sétan boh sétan nu aya dina diri manusa atawa sétan bungkeuleukan wujud manusa, nyatana sétan téh baris jadi pamingpin anu tangtuna méngpar tina katangtuan Alloh nepi ka dina diri manusa téh taya kaimanan. Dina hadis kauninga yén jalma anu ngalakukeun masiat téh imanna dicabut. Jadi, satungtung jalma mibanda iman mah mustahil ngalakukeun kadorakaan. Moal arék korupsi oknum pajabat lamun dina dirina aya iman. Korupsi mahabu di nagara urang, hartina iman geus dicabut, ajaran agama, moral, étika, geus dimomorékeun. Mugia urang kalebet insan anu bener- bener panceg mibanda kaimanan ku cara nu teu petot-petot ngatik diri ku hidayah Ilahi malah mandar teu gampang kapangaruhan ku godaan sétan. Saur ki juru pantun mah: "Huhujanan ngangon meri, ngiuhan di beulah wétan. Pageuhan iman 'na diri, sangkan teu kagoda sétan." Angot pikeun barudak urang mi- nangka sirung harepan anu dina jaman kiwari mah ngatik barudak téh lain paga- wéan énténg-énténg. Da apan saacan balég mah barudak téh jadi tanggung jawab urang salaku kolotna sakumaha pi- dawuh Rosululloh saw. yén unggal orok téh dijurukeun kalayan fitri (suci), indung jeung bapana anu ngawarnaan hirupna naha rék dijadikeun yahudi, majusi, atawa nasrani. Mugia para sepuh muslim panceg ngatik budak sangkan napak dina fitrah Islami malah mandar salamet hirupna boh di dunya sumawonna di ahérat. Aamiin. *** Manglé 2441 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS Ngahutang Keur Ongkos Ibadah Haji Patarosan: Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat. Ibadah haji dina prak-prakana beda sareng ibadah sejen- na. Ngalaksanakeun ibadah haji saurna aya sarat anu henteu tiap umat Islam bisa nyumponana. Diantawisna aya “is- titha’ah” ngabogaan kamampuan biaya anu teu saeutik pikeun ongkos ngalaksanakeuna. Anu jadi patarosana, saupama biaya eta ibadah haji teu acan cukup, naha kenging ngahutang heula? boh ngahutang ka bank atanapi ka lian ti bank? Sim kuring nyuhunkeun waleranana. Hatur nuhun. Abdul Rojak Komp Pratista Antapani Bandung Waleran: Hatur nuhun kana perhatosanana. Kiwari seueur pisan bank atanapi lem- baga-lembaga kauangan sanesna anu nawarkeun injeuman artos pikeun nalangan biaya ongkos ibadah haji, utamina ka anu can cukup ngabogaan biaya ongkosna. Hal ieu janten pasualan di kalangan umat Islam. Margi dumasar kana katerangan saupama can ngaboga- an biaya anu cukup (mampuh), mangka hukumna henteu wajib. Tegesna ibadah haji hukumna wajib pikeun ka nu tos manjing (istitha’ah), sagala rupana kaa- sup biayana. Sakumaha pidawuh Alloh: “Ngalaksankeun ibadah haji mangrupa kawajiban ka Alloh, nyaeta pikeun ka jalma anu mampuh berangkatna ka Baitulloh. Sing saha nolak kana eta kawajiban, mangka saestuna Gusti Alloh Maha Beughar tina kakayaan ieu alam” (QS. Ali Imran: 97). Ayat di luhur nandeskeun, yen Alloh marentahkeun kawajiban ibadah haji ngan wungkul ka jalma-jalma anu mam- puh tur sanggup berangkat ka Baitulloh. Maksud mampuh atawa sanggup (is- titha’ah) dina ngalaksanakeun ibadah haji nyaeta ngabogaan biaya salila berangkat ka Baitulloh, biaya pikeun nganafkahan kulawarga anu ditinggal- keunana, mampuh sacara fisik, ka- amanan salila di jalan, jeung pikeun awewe wajib dibaturan ku salakina atawa ku muhrimna. Dumasar kana katerangan di luhur, mangka ibadah haji pikeun umat Islam anu henteu ngabogaan kamampuhan (istitha’ah) dina ngalaksankeunana hukumna henteu wajib. Pikeun ka jalma anu henteu ngabogaan panghasilan tetep, atawa pikeun ka jalma anu henteu ngabogaan disiplin mayar hutang tepat waktu, atawa condong kana moal bisa mayar hutangna, mangka diwajibkeun ulah ngahutang pikeun ngalaksanakan ibadah haji, lantaran kucara kitu bakal jadi bangbaluh pikeun manehna dina perkara anu henteu diwajibkeun. Balukarna moal pimaslahateun malah bakal pimadarateun. Tapi saupama keukeuh bari maksakeun ngahutang, terus ngalaksanakeun ibadah haji, mangka hajina tetep sah, sabab kaayaan mampuh (istitha’ah) mangrupa sarat wajib haji, lain mangrupa sarat sahna haji. Kiwari umat Islam di Indonesia seueur pisan anu ngalaksanakeun ibadah haji kalawan ongkosna hasil ngahutang heula, utamina anu langkung gampang tur enggal nyaeta ngahutang ka lembaga-lembaga keuangan saperti Lembaga Keuangan Syari’ah. Cara anu saperti kieu dina elmu perbankan di- sebut Dana Talangan Haji. Cara ieu maksadna nyaeta injeuman artos anu dikaluarkeun ku bank ka para nasabah anu bade ngalaksanakeun ibadah haji pikeun nyumponan kakurangan ongkosna atawa biaya perjalanan ibadah haji (BPIH), nepi ka bisa ngalaksanakeunna dina taun anu tos di- tangtukeun. Dina hal ieu nasabah ngabogaan kawajiban pikeun mayar hutang ka bank anu diinjeumkeuna dina jangka waktu anu tos ditangtukeun. Sedengkeun pihak bank nguruskeun biayana (BPIH) sakaligus jeung ngurus- keun sarat-sarat lianna anu diperlukeun pikeun ngalaksanakeun ibadah haji, kalawan nu nguruskeunana meunang jasa. Cara saperti kieu numutkeun fatwa Dewan Syari’ah Nasional Majlis Ulama Indonesia (MUI) dimeunangkeun. Tapi aya sababaraha sarat sangkan cara ieu henteu kaasup riba anu diharamkeun ku Alloh SWT. Di antara syarat-syarat eta: Kahiji, jasa hasil nguruskeun ibadah haji anu dilakukeun ku pihak bank henteu meunang dihubungkeun jeung injeu- man pikeun biaya ongkos ibadah haji atawa dihubungkeun jeung dana tala- ngan ibadah haji. Kadua, jumlah im- balan jasa ngahutangkeun henteu meunang gumantung kana jumlah prosentase biaya atawa dana talangan anu dikaluarkeun ku pihak bank. Anu jadi masalahna nyaeta, naha dina prak- prakana pihak bank daek nginjeumkeun dana ka nasabah pikeun nutupan kakurangan biaya ongkos ibadah hajina sedengkeun nguruskeun hajina henteu ngaliwatan eta bank? Terus naha pihak bank deuih daek ngaluarkeun dana jeung ngan sakadar narima jumlah dana anu dikaluarkeunana (diinjeumkeun- ana) kalawan henteu aya kauntungana atawa tambahana tina jumlah anu diinjeumkeuna? Saupama pihak bank nangtukeun (ngaluarkeun syarat) ka nasabahna dina nguruskeun sarat-sarat ibadah haji lianna kudu dilaksanakeun ku eta bank, terus eta bank meunang kauntungan di ahirna, mangka hal ieu patojaiyah sareng fatwa anu dikaluarkeun ku Dewan Syariah Nasional (DSN) MUI, tegesna kaasup riba anu diharamkeun ku Alloh SWT. sakumaha disebatkeun dina Hadits: “Satiap injaman anu mere tambahan ka anu nginjeumkeuna mangka hukumna riba”. Hadits sanesna: “Henteu halal ngagabungkeun antara piutang jeung akad jual beuli; dua sarat dina hiji transaksi; kauntu- ngan ngajual barang anu henteu jelas; kauntungan ngajual barang lain milik anjeun.” (HR. Turmudzi, Abu Daud sareng Ahmad). Sakitu mudah-muda- han aya mangpaatna. Wallohu ‘alam.*** 16 Manglé 2441
  17. 17. K urikulum 2013 minangka tare- kah nyampurnakeun Kurikulum Berbasis Kompetensi anu geus dirarancang ti taun 2004 jeung KTSP taun 2006 anu ngawengku kompetensi sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. Bedana teh ari dina KBK 2004 jeung KTSP 2006 mah eta tilu kompetensi teh napsi-napsi atawa sewang-sewangan, sedengkeun dina Kurikulum 2013 mah kudu gumulung ngahiji. Hal sejenna anu ngabedakeun teh nya eta, Kompetensi Inti dina Kurikulum 2013 sarua keur unggal mata pelajaran, sedengkeundinaKBK2004jeungKTSP 2006 mah unggal mata pelajaran mi- boga Standar Kompetensi sewang-se- wangan. Lebah Kompetensi Inti (KI) Kuriku- lum 2013 teh geus maneuh aturanana teu meunang patukeur, sarta KI geus diluyukeun jeung parobahan umur para siswa dina kelas nu tangtu. Satuluyuna KI bakal diturunkeun jadi Kompetensi Dasar (KD) anu beda pikeun unggal mata pelajaran jeung unggal tingkatan. Ngaliwatan KI integrasi vertikal rupa- rupa Kompetensi Dasar dina kelas nu beda bisa dijaga. Kompetensi Inti anu aya dina Kuriku- lum 2013 teh ngawengku: 1. Kompetensi Inti-1 (KI-1) pikeun kom- petensi inti sikep spiritual; 2. Kompetensi Inti-2 (KI-2) pikeun kompetensi inti sikep sosial; 3. Kompetensi Inti-3 (KI-3) pikeun kompetensi inti pangaweruh; jeung 4. Kompetensi Inti-4 (KI-4) pikeun kompetensi inti kaparigelan. Tina unggal Kompetensi Inti anu opat tea kakara diturunkeun kana Kompe- tensi Inti unggal tingkatan atikan, timimiti SD/MI, SMP/MTs, nepi ka SMA/SMK/MA. Tapi tetep kudu nyoko KI-1 patalina jeung spritual atawa kaagamaan, KI-2 patali jeung sosial atawa budaya, jeung KI-3 patali jeung pangaweruh, sedengkeung KI-4 patali jeung kaparigelan atawa karancagean. Upama Kompetensi Inti anu opat tea dipatalikeun jeung udagan dina atikan sakola di Pasundan, asana teu kaleu- leuwihi lamun sakumna ais pangatik jeung rengrengan pangaping sakola Pa- sundan nepak dada. Eta udagan teh geus lila diterapkeun sarta dilaksa- nakeun di sakola-sakola Pasundan mah. Nu jadi udagan sakola-sakola Pasun- dananuayadilingkunganYayasanPen- didikan Dasar dan Menegah (YPDM) Pasundan, sarta aya dina iuh-iuh Paguyuban Pasundan, kapan jentre Pengkuh Agamana, Jembara Budayana, jeung Luhung Elmuna. Jadi lamun di- patalikeun jeung opat Kompetensi Inti Kurikulum 2013 mani nyekrup. Kompetensi Inti-1 (KI-1) pikeun kom- petensi inti sikep spiritual sarua jeung udagan YPDM Pasundan, nya eta pengkuhagamana.AriKompetensiInti- 2 (KI-2) pikeun kompetensi inti sikep sosial, ieu oge hakekatna sarua jeung jembar budayana. Sedengkeun Kompe- tensi Inti-3 (KI-3) pikeun kompetensi inti pangaweruh, sarua jeung luhung el- muna. Tah lebah. Kompetensi Inti-4 (KI-4) pikeun kompetensi inti kaparige- lan, sacara tersurat mah teu natrat aya dina udagan YPDM Pasundan, tapi dina prak-prakna mah nyamuni kudu aya dina unggal kagiatan sakola-sakola YPDM Pasundan, nya eta rancage dina gawe atawa parigel tea. Tantuna ku munculna opat Kompe- tensi Inti Kurikulum 2013 anu meh nye- ples jeung udagan sakola-sakola Pasu ndan, mudah-mudahan bae jadi su- manget jeung nambah kadariaan ais pangatik sakola Pasundan dina ngaron- jatkeun ajen atikan di sakola Pasundan, da geuning sakola-sakola Pasundan mah leuwih ti heula nerapkeun eta opat kompetnsi inti teh, jauh samemeh Kurikulum 2013 dirarancang sarta dim- plementasikeun. Beh dituna, mudah- mudahan bae keur sakola-sakola Pasun dan mah bisa mere conto kumaha ngalarapkeun KI-1 sikep spritual (pengkuh agamana), KI-2 sikep sosial (jembar budayana), Ki-3 pangaweruh (luhung elmuna), jeung KI-4 kaparige- lan (rancage dina gawe). Sajabatieta,dinaKurikulum2013teh napak dina palsafah urang Sunda, nya eta cageur, bageur, bener, jeung pinter. Jadi kudu cageur heula lahir batinna, ulah delekan jeung kaniaya kasasama, komo resep mitnah ka batur atawa sa- hadapeun mah dipahing pisan. Kudu bageur dina ngalaksanakeun amanah jeung pagawean, atawa kudu junun lain hayang katempo ku dunu- ngan. Kudubenerdinangalarapkeunaturan jeungkawijaksanaanlantaransagalapa- gawean bakal dipenta tanggung- jawabna. Kudu pinter dina sagala widang ngarah teu kabobodo atawa katipukubatur,tapikahademun pinter ulah minteran batur, bisi kawalat. Kitu saur karuhun urang Sunda, anu eta teh jadi landasan filosofis Kurikulum 2013. Saterasna mah mangga nyanggakeun... Nu Nulis Guru oge Pupuhu SMP Pasundan 12 Kota Bandung Manglé 2441 17 Kompetensi Inti Kurikulum 2013 dina Udagan Sakola Pasundan Ku: Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
  18. 18. 18 Manglé 2441 M aca tulisan Bapa H. Usep Romli dina Man- gle sababaraha nomer kaliwat, anu ngalala- konkeun pangalaman mantenna dina jaman gangguan kaa- manan gorombolan DI/TII, matak nga- hudangkeun pangalaman sim kurang dina mangsa gorombolan DI/TII di Kuningan. Dina mangsa harita taun 1957 kuring masih keneh sakola di SGB (Seko- lah Guru B) di Kuningan kelas opat. Saku- liah kabupaten Kuningan dina mangsa harita jadi pangacakan gorombiolah DI/TII pangpangna di wewengkon suku gunung Ciremai saperti kacamatan Man- dirancan, Cilimus, Jalaksana, Cigugur, Kadugede, oge di tatar kidul di kacamatan Subang, Selajambe, Ciniru, di beulah wetan di kacamatan Cibangbin, Ciwaru. Meh unggal peuting boh di kulon, kidul, wetan, atawa kaler langit marakbak hibar beureum tandana aya kahuruan imah- imah anu diduruk ku gorombolan. Sarta mehunggalpoemeunangbejadidesaanu aya sakitu imah diduruk, aya sakitu jalma maot ku ditembak ku gorombolan. Harita mah lamun geus reup peuting hate waswas naha isuk masih keneh aya dikie- una atawa kumaha. Kakara lamun geus kadenge adan subuh, Alhamdulillah ge- uning masih hirup keneh. Kitu jeung kitu wae unggal poe. Kajadian anu matak nalangsa nya eta waktu gorombolan nyerang ka kota Kuningan. Kuring harita cicing di asrama SGB 2 di jalan Pasapen III. Peuting harita kuring jeung babaturan keur sasadiaan rek praktek ngajar isukna, ujug-ujug aya sora tembakan ti unggal juru. Puguh matak reuwas, tuluy kuring tiarap di ko- long dipan bari ngadedeg teu puguh rarasaan. Pertempuran kacida kahotna antara tentara jeung gorombolan nepi ka tengah peuting. Isukna kacida kagetna yen loba pisan rahayat anu jadi korban katembak duka ditembak ku gorombolan, di kampung Lembur Sukun jeung Cipi- cung (ayeuna mah wewengkon jalan Pra- muka) sarta sababaraha imah anu didu- ruk. Diantara korban anu maot kaasup aya genep babaturan sakola anu rek prak- tek ngajar. Poe eta sakola diperekeun sabab para murid kudu ngalayad ka ku- lawarga murid anu jadi korban. Masih kabayang ngarakacak hate waktu genep layon babaturan di jajap ku Bapa Kapala Sakola (Bapa Karwapi) tuluy diiangkeun ka kuburan. Ku ragotna pertempuran, eta mah tihang listrik mani jiga suling sabab pinuh ku liang pelor. Ti harita gangguan gorombolan teh lain di desa wae tapi di kota Kuningan oge kungsi jadi sasaran. Di Kuninganpamingpingorombolananuka- mashur jahat tur bengis nya eta katelahna pasukan Gojin. Aya deui kajadian kakejeman gorom- bolan anu matak nalangsa nya eta di desa Jalatrang kacamatan Subang, anu diram- pog, imah diduruk, jelema dirogahala. Dina waktu gorombolan nyerang jelema- jelema nyarumput dina balong, tapi kanyahoan ku gorombolan bari terus di- dorodod ditembakan. Atuh puguh wae loba warga anu maot, nepi ka cai balong jadi beureum sabab katumpahan getih. Salah sahiji korban nya eta babaturan sakola di SGB. Sedih, nalangsa kacida. Jadi Anggota OKD Sabada tamat SGB tanggal 1 Nopember taun 1958 kuring diangkat jadi guru Sakola Rakyat di Bandorasawetan Kaca- matan Cilimus. Sakumaha anu kamalum dinamangsaharitadisakuliahJawaBarat aya dina kaayaan kacida weritna ku sabab gangguan gorombolan DI/TII. Meh ung- gal peuting pihak gorombolan ngaganggu kaamanan rahayat. Nya kitu deui desa Bandorasa Wetan geus jadi “pangacakan” gorombolan DI/TII. Kawajiban warga masyarakat dina mangsa harita nya eta kudu milu ngajaga kaamanan desa tina sagala gangguan gorombolan DI/TII. Salah salah sahiji rupa organisasi pikeun ngajaga kaamanan desa mangsa harita OKD (Organisasi Keamanan Desa) sama- cem HANSIP atawa LINMAS lamun mangsa ayeuna mah. Salaku warga desa kuring boga tekad pikeun milu memper- tahankeun sarta ngajaga kaamanan desa. Ku kituna babarengan jeung warga masyarakat liana milu jadi anggota OKD anu langsung dikomandoan ku Kapala Desa. Jadi OKD bareng jeung sobat-sobat kuringpapadagurunyaetaPaJumadi,Pa Usin, Pa Dayat. Salaku anggota OKD puguh wae milu latihan katentaraan, kaa- sup latihannembakeunbedilsartapanga- bisa sejenna anu aya patula patali jeung syarat khusus pikeun jadi OKD. Dina ngalaksanakeun laku lampah kaa- manan desa,diatur tugas piket sacara gili- ran anu ditempatkeun di sababaraha pos jaga di sakuliah desa. Salila ditugaskeun pikeun ngajaga desa kawas aya hiji wawa- nen dina diri kuring. Asa reueus bisa milu babarengan ngajaga kaamanan, itung- itung milu berjuang pikeun nagara sabab perang kemerdekaan teu kungsi ngala- man da masih budak leutik keneh.. Jadi lamun ayeuna di lingkungan tentara aya sesebutan dwifungsi, nya kuring oge kungsi ngalaman milu ngalaksanakeun dwifungsi. Fungsi anu utama nya eta jadi guru anu tugasna ngajar, tapi oge milu ngajagakaamanandesa.Tapisanajankitu kuring milu ngajaga desa tapi embung ari kudu paeh konyol mah, sabab hayang tuluy babakti ka nagara dina dunya atikan. Ku sabab kitu lamun aya gorom- bolan DI/TII nyerang ka desa, kuring jadi jelema anu nyumput ti heula. Sabab em- bung arikudu bertempurkomokatembak mah. Tempat panyumputan kuring biasa- na lamun teu di sawah nya di balong nga- hephep bari ngadoa supaya disalamet keun. Borangan eta téh kasebutna? Nya kitu boa tapi anu pasti mah embung ngabedilsartaembungdibedil.Kungsihiji mangsa aya aya serangan ti gorombolan DI/TII anu kacida rongkahna, rarasaan meh sapeupeuting kajadian pertempuran antara gorombolan ngalawan tentara katutOKD.Kuringkacidasieunna,kulan- taran sieun katembak, kuring lumpat Dwifungsi Guru SR jadi OKD H. Mohamad Surya Gangguan Gorombolan DI/TII di Kuningan
  19. 19. Manglé 2441 19 nyumputkatengahsawah,Kakarasabada rengse pertempuran, gorombolan arindit, kuring ngawanikeun mucunghul ka bale desa bari rancucut balepotan leutak. Pak Kuwunanya,“dimanatadiguru?”kukur- ing di jawab “abdi bertahan di beulah kaler desa sisi sawah”. Dina hiji mangsa kuring kungsi ditu- gaskeun ku Pak Kuwu salaku komandan pikeun jaga di pos jaga anu ayana di te- ngah-tengah kuburan. Pikeun kuring pribadi mah hal eta teh mangrupa musi- bah sabab kuring mah kaasup jalma bo- rangan anu sieun ku kuburan, komo deui sapeuting jeput. Tapi kumaha da teu bisa nolak. Sawaktu peuting anu harita keur caang bulan, puguh tutunggal makam teh kaciri parentul mani jelas matak keueung keur anu borangan jiga kuring. Sanajan henteu sorangan tapi saperti anu geus kasebut tadi, kuring mah jalma borangan anu sieun ku kuburan. Sok komo deui beurangna aya anu maot anu dikubur teu jauh ti pos jaga. Bayangkeun ti mimiti bada isa peuting nepi ka subuh, kuring kasiksa ku kasieun anu kacida pisan, nepi ka bulu punduk mah muringkak sapeu- peuting nandangan kasieun. Babacaan mah sabisa-bisa bari teu puguh pikeun ngalawan kasieun. Bari teu bisa sare sa- kerejep-kerejep acan padahal batur piket mah bisa sare mani tibra pisan, sanajan ceuk aturan mah teu meunang sare ari tugas di pos teh. Barang kadenge aya sora adan subuh ti masjid, Alhamdulillah salamet teu aya jurig anu naganggu sa- kumaha anu dibayangkeun. Padahal sabenernamahpeutingatatehteuayaka- jadian naon-naon, tapi kangaranan sieun mah teu bisa disumputkeun. Jadi nepi ka kiwari oge kasieunan tugas jaga di pos kuburan masih kabayang keneh. Karasana harita mah sapeuting teh mani asa sataun kacida pisan lilana nunggu beurang. Sanggeus kadenge adan subuh, kacida atohna tuluy buru-buru balik asa bebas tina panjara anu nyiksa sapeupeuting. Sabada shalat subuh tuluy sare sapopoe, teu ka sakola sabab meu- nang idin ari tos jaga malem mah. Tah kitu di antarana pangalaman jadi anggota OKD anu ditugaskeun jaga di pos pang- jagaan di wewengkon kuburan. Sanajan sok sieun ditugaskeun deui di pos kubu- ran, kuring reueus, kudu diaku yen kuring salaku guru geus bisa milu ngajaga kaa- manan desa. Salaku anggota OKD Al- hamdulillah kuring teu kungsi ngarasa perang kalayan nembakeun bedil, sabab kuring geus boga tekad masih hayang keneh babakti ka nagara ngaliwatan dunya atikan. Jadi sanajan teu kungsi ngalaman perang, sarta teu boga cita-cita jadi tentara, tapi kawajiban salaku warga nagara geus kungsi kalakonan ku jadi anggota OKD. Pager Bitis Taun 1960 kuring pindah ngajar ka desa Citangtu Kuningan nuturkeun anu jadi Bapa anu diangkat jadi kapala sakola di SR Citangtu 2, bari sakalian hayang nu- luykeun sakola ka KGA (Kursus Gyry A) di Kuningan. Ari kaayaan gorombolan kalah beuki mahabu ngaganggu meh ka unggal desa. Saperti anu kaalaman di Bandorasa, kuring milu ngajaga desa bareng jeung warga masrakat. Pikeun numpes gorombolan, pamarentah ning- katkeun upaya numpes gorombolan DI/TII. Salah sahiji kabijakan nya eta gorombolan terus dikepung ti unggal madahab ku kakuatan tentara anu dit- ingkatkeun boh persenjataan boh per- sonilna. Hiji taktik pikeun nalukkeun gorombolan nya eta kawijakan pager bitis anu mangrupa gawe bareng tentara jeung rahayat. Harita anu jadi panglima Sili- wangitehJenderalIbrahimAjieanulang- sung jadi komandan operasi. Sakabeh warga masarakat anu dewasa tanpa pilih bulu wajib milu ngalaksanakeun pager bitis. Ari pager bitis teh nya eta sakabeh gunung dikepung ku rahayat di pos-pos penjagaan bagian tukang sabab di hareup mah tentara jeung OKD. Dina prak- pakananapagerbitisgunung-gununguta- mana gunung Ciremai dikepung ku rayat anu mager sakurilingna. Ku kituna gorombolan teh teu bias turun ngaram- pok, nepi ka kalaparan da teu aya logistic pikeun kadaharan maranehna. Dina pager bitis kuring kabagian tilu kali di gu- nungCiremaipersisnadidesaPalutungan kacamatan Cigugur. Ari giliran teh bi- asana dua peuting aya di gunung di hiji posanudieusiankira-kiragenepanunggal pos penjagaan. Puguh asa piknik atawa berkemah, mirun seuneu jiga api unggun keur jaman kapanduan (pramuka), bari murak timbel atawa ngaliwet. Sanajan bari tiris ku hawa gunung resep wae anu aya teu jiga waktu jaga di kuburan sawaktu di Bandorasawetan. Tetela eta taktik teh ampuh pisan, gorombolan loba anu nyerahkeun diri, kaasup gegedugna Kartosuwiryo katang- kep di kabupaten Bandung (wewenghkon Majalaya), oge Gojin anu kacida jahat jeung bengisna serah bongkokan di Ci- waru. Nya ti harita taun 1962 gorombolan DI/TII tuntas anu ngalantarankeun Jawa Barat jadi aman. Uang Kaget Taun 1962 sabada aman, kuring hijrah ka Bandung nuluykeun sakola ka FKIP Unpad anu tuluy jadi IKIP Bandung (ayeuna jadi UPI alias Universitas Pen- didikan Indonesia), dibelaan eureun tina Pagawe Negeri.. Sawaktu geus jadi maha- siswa aya panggilan ti Dinas Pendidikan Kuningan anu ngabejakeun yen meunang uangkaget.Arianudisebutuangkagetteh nya eta duit ti pamarentah pikeun ka sing saha pagawe nagri kaasup guru anu kungsi mancen gawe di kawasan anu di- ganggu gorombolan DI/TII. mangrupa duit. Minangka hikmah digawe tugas di daerah anu kungsi diganggu ku gorom- bolan, nya kuring kabagian “uang kaget” ti pamarentah. Jumlahna lumayan aya kana tilu kali gajih nepi ka bisa meuli pa- parabotan dapur, pakean, meuli buku- buku, jeung kaperluan sejenna. Kitu tah pangalaman tugas dwifungsi nya eta jadi guru sakaligus jadi OKD anu milu ngajaga kaamanan desa.*** Taun 1959, kuring keur jagi guru SR di Bandorasawetan, Kecamatan Cilimus, Kuningan
  20. 20. 20 Manglé 2441 D ur subuh téh geus hudang, da diguyah- guyah ku Ema. Padahal panon mah hayang peureum kénéh. Tuda wayah kitu mah keur meumeujeuhna disimbut buni, bari ceuli ngadédéngé- keun nimatna si jago kongko- rongok di pipir. Sorana mani ngoncrang, bubuhan hayam pelung hadé piara. Pangirim Mang Tatang ti Lembur Ba- bakan. Ngajimatan cenah, da sajodo méréna téh. Ngan édas nu bikangna mah ukur tilu poé umurna aya di kuring téh, da kagiles ku ojeg nu lalar- liwat. “Hudang, Jalu! Geura ka pancuran, si Apa bisi ngam- bek,“ ceuk Ema bari nyokot anduk nu disampaykeun tukangeun panto. “Tiris, Ma!” témbal téh ti jero simbut belang. “Sétan éta téh! Maenya éléh ku si jago! Wayah kieu geus kongkorongok ngageuing- keun batur,“ ceuk Ema teugeug. Éléh déét, kuniang hudang, gap kana sarung nu ngalum- buruk na palupuh, disalin- dangkeun ngabunian awak, méh teu tiris teuing. Komo di luar cacak di jero gé sakieu tirisna. Abong imah di sisi gu- nung. Sabada meundeutkeun panto dapur, kuring ngiclik nuturkeun Ema nu angkari- bung ngakeup said ku pa- ngais, dieusi piring kum baheun, urut peuting dalahar ngariung. Rada loba kumba- heunana, da puguh aya Amang jeung Ibi saboron- doyot. Nyimpang. Cenah mah tas ti anakna nu ngadon bu- buara deukeut lembur kuring. Lebah pudunan, geus méh deukeut ka pancuran, pasan- grok jeung Apa. Da Apa mah mun ka pancuran téh méméh adan subuh, méh bisa salat berjamaah di tajug jeung pan- curanana lowong. Iy… teu sieun-sieuneun sosoranganan di pancuran. Sakitu geueume- unana. Apan pancuran téh di- iuhan ku tangkal caringin nu kacida gedéna, akarna gé geus ngarambay siga janggot aki aki. “Gura-giru Ujang ka cai téh, bisi teu kabagéan berja- maah!” Sora Apa teugeug. “Heug!” témbal téh bari ngarérét. Saenyana mah rada ho- réam salat ka tajug téh, sok lila jaba tiris. Da bilik tajug téh mani cararang pisan. Anéh, tara diaroméan tajug téh, padahal urang lembur ieu mah sarolat téh ka tajug. Atawa meureun acan kaburu ngaroméan da keur rariweuh ku nguruskeun binih paré nu kakareueum baruruk. Saba- likna, mun usum halodo tara kari binih téh, da gararing taya cai. Bet taya mendingna. Komo ayeuna, ngijih geus sababaraha bulan, bari jeung taya poé nu kalarung. Dur lohor, cur hujan. Kalan-kalan mah adan awal wayah janari téh geus ngecrek hujan, parat nepi ka wanci haneut moyan. “Panto dapur ditulakan, Iyeung?” ceuk Apa bari nga- reret ka Ema. “Iraha teuing nulakan panto. Blung-blong gé moal aya nu asup, ari lain si Jago mah,” ceuk Ema bari seuri. Da enya di lembur kuring mah tara aya maling tara aya bangsat. Aman lain boboho- ngan. Kajeun dipolongokeun ti isuk nepi ka magrib gé tara kaleungitan piring songhék– songhék acan. “Heueuh bisi ditulakan, nanya téh. ” Ceuk Apa bari ngingkig ka tonggoh. Ema teu némbalan. Kuring gé cicing teu milu ngomong. Ngingkig wé nuturkeun Ema bari nyéréngéh. Na bet barina gé iraha teuing imah ditulakan atawa dikonci gamlok. Ditu- tupkeun gé geus untung. Ulah teuing hayam marodol di jero imah. Datang ka pancuran brus mandi. Karasa tiisna nembus kana tulang sum- sum. Awak dikasay ku daun seureuh, puguh rada arateul. Tuda geus dua poé dibéré waé pais hurang ku Ema téh. Awak asa renyem. Tapi da teu bisa protes, da puguh saenya- na mah beuki kana hurang téh, komo mun dipais. Matak sok segut ari dahar hurang téh. Apa gé sarua beuki naker kana pais hurang téh. Ngan ari Apa mah tara nanaon enggeusna téh, kuring mah sok buntutan, arateul. Réngsé mandi, gancang kuring indit rék muru tajug, milu amum salat Subuh. Ema ditinggalkeun da gegeroh kénéh piring. “Kadé ka tajug, Ujang! Bisi si Apa ngambek!” ceuk Ema bari jongjon meresihkeun sabun nu narapel dina baskom. “Enya eudeuk, mana ru- rusuhan gé!“ “Heueuh, kudu sieun ku pangrangkét.”Ceuk Ema daria. Nya da Apa mah galak, utamana urusan ngaji, urusan salat, urusan sakola agama, euweuh ampun keur si Apa mah. Apan pokna gé, “Kajeun teu dibantuan ngarit, batan manéh teu sakola agama!” Lamun hujan gé kudu waé indit ka tajug, bélaan dian- teurkeun ditiung ku daun cau. Hiji séwang. Ka sakola gé Basa Sakola Kabanjiran Carpon Holisoh. ME
  21. 21. Manglé 2441 21 kitu, mun sakola kabanjiran, pasti wé ku Apa kuring di- akeup, da buruan sakola téh kakeueum ku cai nepi kana bitis Apa. Tatéh ti kelas hiji nepi ka kelas dua; mun sakola kabanjiran, pasti dianteur- keun bari diakeup. Teu meu- nang peré pisan, ari lain gering mah. Pajar téh ulah dibiasakeun peré, kéh bisi jadi kabiasaan. Eutik-eutik peré, eutik eutik peré. Ayeuna ku- ring geus kelas genep, sakeu- deung deui gé ujian, kaluar ti ieu sakola nu remen kabanji- ran mun usum ngijih. Lamun keur banjir kuring jeung babaturan laleumpang téh pacekel–cekel, kawas nu rék ngepung lauk. Pan basa keur kelas opat mah kungsi ti buruan sakola meunang lauk emas. Aya tiluna. Kabawa caah ti balong nu gigireun sakola. Karunya nu boga ba- long téh, béak kabéh laukna da mudal caina. Kawasna sawaréh ka walungan nu hareupeun sakola. Untung wé nu sok ngaruseup sisi walu- ngan mah. Kuring ogé mun balik sakola osok ka walungan ngala kijing atawa tutut jeung babaturan. Kitu gé tara lila geus meunang sakaléng. Geuwat balik. Sieun dicarékan ku si Apa, pan kudu sakola agama di madrosah. Mun henteu sakola agama pasti di- rangkét. Nepi ka ayeuna sa- kola téh sok kabanjiran waé. Padahal ku pamaréntah téh geus diluhuran. Pas panto ger- bangna lian ti dipager beusi téh, ogé diluhuran lebah lawang asupna, maké beton da aya solokan. Tapi angger wé unggal taun gé, paka- rangan sakola téh kabanjiran. Malah ayeuna mah cai téh sok asup ka kelas, ka kantor. Anéh. Na éta kitu pédah solokanana jadi ngaheu- reutan? Katambah-tambah di landeuh aya wangunan kan- dang hayam nu jumlahna ngawelas. Da hayamna gé ngarebu. Cenah mah pami- ceunan caina teu bener. Mana mun usum ngijih téh cai tam- plok ka lembur nu deukeut sakola, malah sakola gé pan kabagéan geuning caahna. Ti mimiti kadéngé adan awal, hujan geus turun. Lir nu dicicikeun ti langit. Meujeuh, da meuyeum pihujaneunana gé ti kamari mula. Tambah ngeunah ngaringkuk disim- but. Reup deui panon peu- reum. Tambah rapet. Tambah tibra saréna gé. Beunta-beun- ta téh diguguyah ku Apa. “Sujang, Sujang, hudang! Tuh wudu wéh dina émbér, na golodog dapur. Ku Apa bieu dipangjingjingkeun ti pancu- ran.” Sora Apa mani ngon- crang, da nampeu kana ceuli. Kuring ngulisik. “Keun waé Apa, uing deuk ka pancuran.” Témbal téh bari nguliat. Jurungkunung hudang. Heg nangkeup tuur. Ngararasakeun haneutna dikarimbun simbut. Laaah, da mun teu kudu salat subuh mah, horéam hu- dang téh. Hayang ngaringkuk wé nepi ka panonpoé bijil nalobros sela-sela bilik. Tapi Apa jeung Ema sok ngaguguyah waé unggal waktu salat. Tara meunang bolong salat lima waktu sapoé téh. Lima kaliananana kudu kaeusian. Malah engké mah meureun geus ka és ém pé kudu ditambahan ku rupa- rupa salat sunat. Pan ayeuna gé geus diajarkeun ku Ustad, rupa-rupa do’a solat sunat. Rupa-rupa babacaan nu parondok. Méh geus cangkem kabéh gé. Kari prakna. “Sujang! Sujang! Na kalah ngajentul waé di enggon?” sora Ema mani ngoncrang alah batan éngang. “Enya enggeus. Ieu gé deuk ka pancuran!” témbal téh bari nyénglédkeun sarung nu dikarimbunkeun kana awak. “Montong! Geus dipang- jingjingkeunku Apa bieu. Leueur di jalanna. Komo lebah tanjakan mah, Apa gé bieu méh-méhan tiseureuleu,” témbalna daria. “Nya atuh!” témbal téh bari léos ka dapur. Enya wé dina golodog dapur geus sadia cai beresih na émbér jeung pa- nyiukna. Bageur si Apa téh. Tapi ogé galak. Teu kaharti. Geus bérés wudu kuring nyampeurkeun deui bapa. “Hayu Sujang ka tajug!“ ceuk bapa daria. “Hujan kénéh, Apa?” tém- pas téh. “Miripis!” ”Kerep kénéh!” ceuk kuring. Puguh rada wegah salat ka tajug téh, sok jareblog di jalanna. Jaba kacida tirisna. Angin subuh di lembur téa atuh, tirisna alahbatan alah- manan. “Aaah, hayu! Apa geus ngala daun cau dua ponggol. Hiji séwang!” ceuk Apa bari ngaléos ka hareup. Kapaksa kuring nuturkeun, bari sarung dibeulitkeun kana awak, méh teu tiris teuing. Jeung méh teu cérét, da dipayung ku pong- golan daun cau mah, ukur sirah nu teu kahujananana da awak mah angger wé sok baraseuh. Di tajug mani coréngcang, ukur aya genepan. Kolot opatan, barudak duaan. Haroréameun ka tajug meureun, atawa haroréameun ngala daun cauna. Ngan nu tara absén téh Ustad Usep wé, deuk hujan girimis deuk hujan ngagebrét gé, pasti geus siap sila dina paimbaran. Kacida ngéstona kana kawa- jiban. Keur sagala pinter téh. Hadis, dalil, kabéh geus ngolotok, aya di luareun sirah. Piraku wé atuh puluh-puluh taun ngalap élmu di pasan- tren. Méh nepi ka tabuh genep, hujan masih ngecrek. Cileuncang di mana-mana, di unggal buruan ngabaralong. Puguh hujan ngagebrét ti dur adan awal. Sabaraha jam atuh nepi ka wayah kieu can deuk raat-raat? Atoh teu atoh ari hujan isuk-isuk téh. Atohna mun hujan téh bisa mangkir sakola, asal Apa euweuh. Da ari aya mah moal bisa mangkir, meureun teu nga- muk nempo kuring cicing di imah. Atohna deui mun hujan téh, atoh, balik sakola bisa huhujanan bari maraén bal di lapang Cikandang tonggoh- eun sakola. Tara dipikiran baju calana pinuh ku leutak, kawas nu balik macul. Da éta mah urusan Ema urusan nyeuseuh mah cai pancuran ngagolontor kénéh. Bisa bararesih deui baju téh. Datang ka imah Ema geus nyadiakeun keur mumuluk. Sangu disangray, dibungbuan réndos cikur. Mani seungit. Deungeunna mah kurupuk aci. Réndos céngék jeung uyah. Geus sakitu wéh. Da kabeuki sambel goang mah. Matak kajeun juru-juru biwir barohak kakadalieun gé, hih da angger wé. Mun dahar taya sambel goang téh asa teu ponyo. “Mumuluk wayah kieu, Iyeung, kawas nu deuk ka sawah,” ceuk Apa bari ngarérét ka Ema nu keur ninyuh cai entéh kana téko panci. Selengseng, seungit entéh. Seungitna téh mani matak kukurubukan beu- teung. Téh héjo asli meunang ngaramu sorangan. “Najan teu ka sawah gé, angger wé kudu gedé tanaga. Apan kudu ngakeup si Sujang ka sakola, da pasti banjir sakola si Sujang mah,” ceuk Ema bari seuri konéng. “Ah, uing mah embung di- akeup. Éra ku babaturan, meureun gedé-gedé diaakeup kénéh,” ceuk kuring daria. “Baé dipoyokan batur gé, Sujang! Batan seragam baraseuh,” ceuk bapa, bari kop kana cukil kai. Kerewuk nyiuk sangu dua cukil mu- cung. Mani pinuh piringna téh. “Moal uing mah, Apa! Moal diaakeup. Éra,” témpas téh. Da enya, embung éra kudu di- akeup-akeup ka sakola. Baréto keur kelas hiji teu éra, da ayeuna mah iyyy, kacipta pada moyokan lamun kuring ka sakola diaakeup. Da baréto gé diaakeup téh lamun caina semet bitis si Apa. Ari déét mah tara. Leumpang wé ngiciprit. Resep malah kuku- cuprakan dina cileuncang. Komo mun maraén bal di pakarangan imah nu pinuh ku cileuncang mah, waaah poho dahar poho sakola agama. Bakat ku aranteng. Ngan ari ulin dina cileuncang téh peu- tingna dampal suku sok ara- teul. Ceuk Ema mah jaram cenah. Kuring langak-longok ka luar. Hujan masih miripis. Tapi katémbongna langit geus mimiti lénglang. Bangunna
  22. 22. 22 Manglé 2441 sakeudeung deui gé eureun hujan téh. “Raat hujan téh Sujang?” bapa ngagorowok tijero imah. “Acan, Apa. Masih miripis....” témbal téh bari tetep mencrong cihujan nu ninggang batu tétécéan. Tangka beresih batu téh da kahujanan unggal poé. “Ké atuh sakeudeung deui ka sakola mah! Boa buruan sakolana gé kacaahan. Kudu singkil wé Sujang,” ceuk Ema daria. Apa ngarérét ka Ema. “Sok mapagahan teu bener ka anak téh. Biasa wé indit mah, Sujang. Kajeun datang pangheulana batan kabeura- ngan mah,” ceuk Apa daria. Ema ngabalieur. Biwir nyéréngéh, seuri konéng. Geus teu anéh kolot kuring mah, sok hoghag mun sual sakola téh. “Nya ayeuna wé atuh uing indit. Lin aya kénéh pong- golan daun urut Apa tadi ti pancuran?” ceuk kuring bari gap kana kantong. Sapatu mah teu dipaké, dijingjing wé. Da pasti pakarangan sakola kakeueum ku cai, kacaahan. “Anteur ku Apa?” tanya bapa bari seuri konéng. “Geus kelas genep ayeuna mah, Apa! Manasina keur kelas hiji, diaakeup. Éra ayeuna mah,” témbal téh bari rap masangkeun topi na sirah. Awét topi téh ti keur kelas opat meulina téh. Ukur rurud sisina wungkul. Kuring ngiciprit muru sakola, bari diiuhan ku pong- golan cau. Di hareupeun imah si Sobari, léngkah ngarandeg. “Sobari! Deuk sakola?” ku- ring ngagorowok. Taya nu némbalan. “Sobari, deuk sakola moal?” leuwih tarik ngagorowok téh. “Endeuk! Dagoan euy!” kadéngé Sobari ngajawab bari ngosom. Kawasna waé keur mumuluk. Teu kungsi lila So- bari kaluar bari masih kénéh nyapék. Gap kana ponggolan cau nu nanggoh deukeut golodog imahna. Kawasna geus disadiaan ku bapana meureun. Da puguh usum ngijih mah ponggolan daun cau téh kudu sayagi waé. Keur paranti ka pancuran, ka warung, ka sawah, ka kebon, ka sakola, apan diparayungna téh ku ponggolan cau. Tapi da moal béak-béak daun cau mah sanajan dialaan unggal poé gé, da saincak-incak da- puran cau mah. Bring indit duaan jeung manéhna. Beuki deukeut ka sakola, beuki ngabring nu maraké saragem bodas beureum. Kabéh maraké tiung ponggolan daun cau. Tatéh da datang ka sakola mah ponggolan daun cau téh jadi tumpukan runtah. Tara diparaké deui balik mah, najan hujan gé. Kajeun huhu- janan. Resep. Datang ka sakola, kabéh ngaharuleng hareupeun pager beusi. Cai di pakarangan sakola méh semet harigu ku- ring. Soalna si Emang penjaga sakola nu keur menerkeun ti- hang bandera ukur katempo ti cangkéng ka luhur. Ah, gedé cai téh. Boa kelas hiji mah kalelep mun arasup ka paka- rangan sakola téh. Pa Didin jeung Pa Sopian guru agama, geus aya di teras kantor ka- pala sakola. Leungeunna méré kodeu sangkan kuring ulah arasup ka pakarangan sakola. “Sakola darurat, Jang! Darurat! Kelas gé kabéh kakeueum,” omongna ngagorowok. Kuring silih rérét jeung nu séjén, da geus ngaliud di luareun sakola téh murid jeung ibu ibu guru. “Peré, Bu?” tanya téh ka Bu Eli nu nangtung tukangeun kuring. “Ké wé ngadagoan Bapa Kapala,” témbalna. “Apan kelasna gé kakeu- eum, Bu?” si Komar nyeleng- keung ti tukang. “Enya, ké wé kumaha ceuk kapala sakola!” keukeuh wé Bu Eli téh ngajawabna kitu. Nu deuk sarakola geus pinuh ka buruan imah si Isti nu hareupeun pisan sakola. Éta gé sarua kakeueum ngan ukur semet mumuncangan teu parna teuing. Ongkoh rada luhur buruan imah Isti mah. Leuwih luhur batan sakola. Nu deuk ka sawah gé tinghar- iul wé di jalan jajahan. Bécék jeung laleueur. Kawasna haroréameun, da tangtu sawahna gé kakeueum. Tapi loba deuih jalma nu marawa pancing, kawasna rék marancing kiduleun sakola. Pan aya walungan gedé, da susukan nu hareupeun sakola gé gubragna téh ka walungan éta. “Paranén lauk euy!“ ceuk Komar bari nyampeurkeun. “Heueuh. Mun diperékeun urang nguseup yu!” ceuk Ondin daria. Jurig nguseup manéhna mah. Aya aturan maké saragam kénéh, geus ngajego di sisi walungan, atawa kudak-kodok kana liang belut. Tapi sok bangé- nan, da sok meunang waé. Teu kungsi lila kurunyung kapala sakola, leumpang bari singkil. Calana digulung nepi kana bitis. Ngobrol jeung Bu Eli, Bu Rini, Bu Gantini, Bu Tarsih, nyaritakeun bulak- balik ka sakola ti janari kénéh da aya nu ngabéjaan cenah sakola kacaahan. Nyalametkeun heula barang- barang sakola nu marahal. Perangkat komputer, parabot UKS nu sumbangan ti pa- maréntah, buku-buku mah cenah geus disaralametkeun. “Ayeuna kumaha atuh, Pa? Kelas tos kakeueum,” ceuk Bu Gantini bari kerung-kerung wé. Puguh cenah gé nunda rapot dina lomari, sieun kakeueum. “Urang sina dialajar di imah wé, poé ieu mah. Sugan isuk mah caina rada orot,” ceuk kapala sakola. Barudak sarurak ngadéngé belajar di rumah téh. Atoh. Komo si Ondin mah bari émprak surak. “Jadi euy nguseup téh! Jadi!” si Ondin gogorowokan. Kepala sakola ngarérét. “Kudu mulang heula ka imah, ulah maké seragam!” ceuk kapala sakola teugeug. Sieun katempuhan meureun mun aya murid tikerelep, atawa kabawa caah. Komo masih kénéh maké saragam mah. Sakola nu katempuhan. Girimis geus eureun,tapi cai nu ngumplang di pakarangan sakola, tacan orot. Siga balong. Bisa dipaké ngojay. Kawasna moal bisa orot ku sajam dua jam, cai ngumplang kieu mah. Tingali wé, méh nepi kana jandéla kelas cai téh ngeueumna. Mun kelas hiji mah tikerelep. Matak barudak téh ngagarim- bung di luar wé. Bubuhan luhur taneuhna, cai gé ukur semet mumuncangan. Baru- dak mimiti balubar. Jalan beuki jeblog jeung leueur. Ibu guru masih ngajarengjen di luar pager. Kapala sakola mah geus kukucuprakan di pakarangan sakola, deuk ngontrol kantorna meureun. Mangkaning sagala rupa dokumen sakola aya di dinya. “Kalah tinghariul di dieu, henjung geura marulang. Ngarapalkeun anggursi, sakeudeung deui ujian,” ceuk Bu Tarsih bari nepak taktak kuring. Biwir nyéréngéh. Komar, Ondin, Sobari, Asep, Engkus silih rérét. “Ké wé, Bu,“ témbal téh. “Ééh bisi deudeupeun kolot hidep. Jeung kadé ulah arulin ka wahangan, caina gedé naker,” ceuk Bu Rini bari me- long si Ondin. Kawasna rada teu perca- yaeun ka si Ondin mah, da sok remen kaperego keur nguseup sisi wahangan mun balik sakola téh. Malah mah kepala sekolah gé remen merego si Ondin keur nagog di balong atawa di wahangan. Jurig nguseup si Ondin mah. Da turunan meureun, apan Mang Hanan, bapana, jago nguseup. Di mana-mana diudag waé urusan nguseup mah. Mana nurun ning ka anakna. “Hayu ah!” ceuk Ondin daria. “Siappp,“ témbal saréréa. Méméh jung ngaléngkah, saréréa nareuteup heula pakarangan sakola nu geus robah jadi balong. Caina kiruh siga bajigur. Tapi kuring yakin dina cai nu kiruh éta, loba lauk emas atawa nila tinggudibeg, ngaranjleng ti balong balong nu aya sabudeureun sakola. *** Sukasari, Mei 2013
  23. 23. Manglé 2441 23 M EUJEUHNA mun diterap- keun ka para anggota déwan téh.Endogsasayang,peupeus hiji peupeus kabéh. Codéka saurang apan sadudulur kababawa. Cara par- lemén urang ayeuna. Tangtu henteu kabéh tukang mangkir. Aya wé anu getolna. Henteu kabéh artis nu aya di parlemén ngan saukur jadi pamaés wungkul. Aya wé anu jeung tatagna nyarita. Henteu kabéh tara teu mikiran rahayat. Aya wé anu dina pikiranana tara kaselapan nu lian iwal ti rahayat. Henteukabéhtukangngagasabduitna- gara. Aya wé anggota déwan nu lem- peng. Tapi nya kitu, da bongan sa sayang. Bongan arua papada anggota parlemén, atuh daék teu daék gé ka- paksa wé narima dianggap codéka. Cilakanana téh lain baé anggota par- lemén di tingkat pusat wungkul anu di- anggap codéka teh tapi ogé anggota déwan nu aya di sahandapeunana. Boh anggota déwan di tingkat propinsi boh di tingkat kabupatén jeung kota, dirad wé papada dianggap codéka. Nya kudu wayahna wé disakompét- daunkeun gé. Nu gawéna tara mangkir, anu tara ceceremed ngagasab duit na- gara --nu saéstuna mah duit rahayat kénéh, kudu narima disaruakeun jeung nu gawéna melencing, nu gawéna sok ceceremed. Taya gunana ieuh awong- awongan gé da puguh kitu kany- ataanana. Aya anggota déwan nu teu reugeujeug. Nya merenah upama par- lemén ayeuna dianggap lembaga nu di- anggap taya gunana. Rék teu dianggap kitu kumaha atuda, méh saban poé aya wébéjangeunaananggotadéwannudi- pariksaKomisiPemberantasanKorupsi (KPK) alatan disangka ngagasab duit nagara. Cohagna disangka korupsi. JeunganudisangkakorupsikuKPKtéh sok réa pisan nu enyana manan anu ukur disangka. Ku lantaran anggota déwan anu curaling téh “sasayang”, pa- pada “nyayang” di Senayan, tuh ka- paksa wé nya kitu téa, “ndog sasayang, peupeus hiji peupeus kabéh”. Lain baé di legislatif anu kapaksa kudu narima disasayangkeun téh. Di éksékutif gé nya kitu. Malah teu bina ti kitu apan di lembaga yudikatif, di lingkunganparahakimgé.Aparaturpa- maréntah kawas nu paboro-boro, pa- pada néangan lolongkrang pikeun narima panyogok. Nu pangahirna mah malah keuna ka sawatara urang aparatur pamaréntahan nu pancénna nguruskeun perkara migas, minyak jeung gas bumi. Réa nu teu nyangka manéhna beunang disogok téh. Da cék saliwatan mah jalmana téh apan idéakis. Tapi horéng nya kitu, buktina bet nyolong badé. Di lembaga yudikatif gé horéng teu jauh ti kitu. Lembaga yudikatif anu pancénna nanjeurkeun hukum kabuk- tian kalah ngaduitkeun hukum. Sugri nu daék nyogok, teu mutahil hukuman beurat gé jadi hampang, atawa malah bébas sama sakali. Hadéna aya KPK. Cacak di urang euweuh KPK mah nu curaling téh pasti mahabu, awahing ngarasa jongjon. Lamun lembaga yudikatif geus kitu peta, atuh rahayat téhkudupercayakasahadeui?Rékper- caya ka éksékutif apan da puguh kitu buktina.Réakabuktiananaaparaturpa- maréntah nu ngagasab duit nagara. Ari duit nu digasabna apan lain ukuran rérécéhan, tapi dina ukuran nu tangtu moal kaitung ku rahayat leutik samodél urang mah. Rék percaya ka legislatif, ka parlemén, apan kacida pamohalanana. Da geuning réa kabuktianana anggota legislatif téh babarengan ngagasab duit nagara. Korupsi babarengan, nganggap duit nagara téh bancakan anu bisa dibagikeun di lingkungan maranéhna wungkul. Mimitina mah harepan sakumna rahayat téh ka lembaga yudikatif, ka para hakim jeung jaksa, ka jalma-jalma nu pancénna nanjeurkeun hukum. Tapi ari célékéték téh horéng kitu buktina. Réa jaksa beunang disuap réa hakim beunang disogok. Antukna. Rahayat téh jadi leungit kapercayaan ka sugri nu kasebut pangagung pamarén- tahan. Ari anu matak pikasebeleun pisan mah éta niténan kalakuan jalma- jalma, boh ti lembaga eksékutif, boh ti legislatif boh ti yudikatif anu disangka koruptor ku KPK, Sok ngarasa jadi jalma nu teu tuah teu dosa. Hahah héhéh bari teu weléh parakatangtang pérékéténgténg. Teu ieuh ngarasa éra dilalajoanan ku jalma réa. Ku kitu téa mah meureun geus meujeuhna urang téh nerapkeun hukuman nu leuwih beurat pikeun para koruptor téh. Da ari ku samodél hukuman ayeuna mah batan kapok kalah gawok. Anu can kungsi korupsi gé ayeuna mah maké mikir-mikir hayang korupsi da dina ka- panggihna gé hukumanana henteu sabaraha beurat. Atuh duit anu beu- nang ngagasabna pasti bakal réa kénéh sésanasanggeusmaranéhnangajalanan hukuman gé. Cindekna mah, dina mangsa réformasi kiwari nagara urang téh teu bina ti sawargana pikeun para koruptor. Kawasna mah enya, keur ger- ing nagara urang téh. Panyakitna can kapanggih. Ku lantaran can kapanggih panyakitna, atuh piubareunana ogé can kapanggih kénéh baé.*** (yayat.hendayana@gmail.com) DI KIWARI MACA BIHARI (17) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Endog Sasayang, Peupeus Hiji Peupeus Kabéh
  24. 24. 24 Manglé 2441 C eudeum geus ti lohor keneh minu han langit. Breg jadi hujan bada asar. Persis barang Ustadz Jamil nepi kana tanjakan Pasir Barong. Lalampahan kan- deg. Tukang ojeg teu sang- gupeun tuluy. Malah anggur gura-giru mudun deui. Ustadz Jami loge kapaksa neangan keur ngiuhan, sanajan bajuna geus lantis ku cihujan. Breh saung. Nenggang. Rada ngelok saeutik ti sisi jalan. Lumayan tamba rancucut teuing. Saung wawayagon. Hateup eurih geus buruh. Hadena teu bocor kabeh. Aya keur nyalindung. Malah aya pirunan. Pinuh ku huut badag. Aya suluh sababaraha teukteuk. Bisa keur siduru lamun daek ngahurungkeunana mah. Burinyay, beledag. Gelap saleser. Handap pisan. Burinyay deui. Beledag deui. “A’udzubillahi minasy syaiton nirrojim, “Ustadz Jamli neregteg ta’udz bari nutupan ceuli. Dituluy- keun ku maca Falaq bin- nas jeung ayat Kursi. Saung ujug-ujug ingge- ung. Paratag pangdiukan- ana nu geus rada ucutan, maruragan. Ti handapeu- nana aya nu ngondeal. Ju- rungkunung, jleg jirim jelema. Tapi geus teu man- grupa pisan. Kucel kude- mel. Baju rangsak ru wak-rawek. Nutupan awak regung kabina-bina. Be- ungeut peot leuwih ti peot. Teu beda ti kulit jeruk nu rek dikalua, karek dijait tina pangeueuman ciapu. “Sora naon cikeneh?” eta jirim nyarita. Leutik tenge, meh teu kadenge. Ustadz Jamil morobot istigfar. Bulak-balik falaqbinnas jeung ayat Kursi. Diselang ku du’a menta panangtayungan tina kajahatan mahluk. “A’udzu bikalimatil- lahit tammah min syarri ma kholaq. Abdi nyalin- dung ku ayat-ayat Alloh nu Maha Sampurna tina kaja- hatan sakur mahluk.” “Naon eta?” sora tenge the semu ngajerit. “Sora gelap !”jawab Us- tadz Jamil nu geus teger pisan. Hatena jejeg man- teng ka Alloh SWT. Teu sieun ku nanaon, iwal ti ku Anjeunna Nu Maha Kawasa. Komo ku wujud mahluk jiga jurig nu aye- una nangoh hareupeun- ana. Inget kana papatah guruna. Yen bangsa jurig, siluman sileman, teh aya. Mangrupa runtuyan ti Jadi Jurig Ku H.Usep Romli HM

×