L awangSakéténg

Ti kenca ka katuhu; Distam (Kepala Sakola), Ensa (Wartawan Mangle), Trisnawan (Guru SDN Buara 04)
jeung A...
Ngudag ka Naraka
5
TAMU

*) BOIM, 21 TAUN. PENGAMEN
“Poék..peuting beuki poékkk …peteng..
mongkléng.. langit beuki mongklé...
K acaTilu

Nu Boga Lalakon

J

aman aya kénéh bioskop Sahati (di Tegallega) jeung
Taman Hiburan (di Cicadas)
lamun arék la...
K oropak
Caah Unggal Taun
Sampurasun!
Caah di mana-mana. Di
puseur dayeuh, Jakarta mah
geus puguh. Di Bandung ogé
Baléénda...
T amu
Karepna, nyegah Sunda ilang
di lemburna. Ngan, kumaha
carana, da puguh lemburlembur Sunda nu aya di
Brebes téh ayana...
T amu
réntah!
Keur budak, memang remen
ngadéngé dongéng nu tumali jeung
lemburna. Tina dongéng téa, apal wéh
dulur-dulur n...
pamarentah, tangtu wé kudu ngalaksanakeun kawijakan anu nyampak,
kaasup nu tumali jeung basa Sunda.
Tumali jeung pangajara...
P anineungan

Sanusi
Harjadinata
Nyegah
Perang Dulur
Sabangsa
Méh-méhan perang
sadulur. Mun dina wayang
mah perang Baratay...
Inohong Masagi
Sanusi Harjadinata téh tereuh
Sukawening, Garut, Jawa Barat. Lahir
taun 1914, bibit-buitna kulawarga
patani...
I mplik-implik
Seni lain ukur kalangenan.
Da, loba mangpaatna, kaasup
nguatan jati diri masarakat.
Kitu ceuk Wawan Ridwan,...
Mekarkeun Seni
Mikawanoh Jati Diri
Réngsé mancén gawéna di dinas nu
raket tumalina jeung budaya, inyana
mah teu cicingeun....
N yusur Galur

Punden Berundak Gunung Padang
Eunteung Jaman Kiwari

M

inggu pengker pedaran Lutfi Yondry sang
Arkeolog pa...
hubungan antar pamigpin jeung masarakat, antar
masarakat jeung ajen pangaweruh anu luhur ajenna
anu disimpen satukangeun p...
M unara Cahaya

Kangjeng Rosul Muhammad SAW,

Bukti Kaagungan Islam
Ku Rudi H. Tarmidzi

S

anaos ayeuna tos lebet kana tu...
kamulyaan Islam? Jawabanana ogé aya
dua. Nu dua téh lain ku basa Inggris
jeung Arab, lain ku basa Francis jeung
basa Sunda...
DI KIWARI MACA BIHARI (31)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA

Péso Gurka

H

ADÉ niatna mah. Mapaés
kota ku ornamén nu aya
pa...
C arita Pondok
kalieun awak uing. Tikoro
karasa garing. Késang ngucur.
Ngadégdég kana keteg Jajantung nu beuki ratug. Haté...
ngagorowok. Teu eureun-eureun. Hégak napas mirig ketug
jajantung, ngabaruntakkeun
pangeusi dada. Leuleus Icih.
Awak laleul...
C arita Pondok

Kembang Hui
Carpon Yus R. Ismail
ngaleungitkeun hanaang jeung rénghap
anu ngahégak.
Reureuh di Tanjakan Pa...
Kampung kuring, Ciwening, aya di tutugan gunung
Bésér. Hujan méh turun
saban waktu. Enya ogé
halodo entak-entakan,
sababar...
C arita Pondok

S

MS ti lembur. Dulur ngabejaan,
Hayati maot tadi subuh. Hate
ngaleketey. Lalaunan ngucapkeun
istirja “In...
Angin leuleuy ieu pertanda
bakal réa suung.
Sabot ngaji di masjid, dicaangan ku lampu téplok, brul siraru areunteup kana s...
P uriding Puringkak

Nyingraykeun Lalangse
Ku Nina Rahayu Nadéa

N

gahaja isuk
kénéh geus
ngalangeu
hareupeun
imah. Hawa
...
ngukuntit diri.
Unggal isuk ngalangeu
hareupeun imah. Jalan-jalan
ngarasakeun hawa anu seger
tumaninah kana awak,
sumaramb...
C arita Heubeul

Ku M.A. Salmun

{ 30 }

S

akumaha anu
geus dicaritakeun dina
ngamimitian ieu
buku parantéanparantéan di ...
kagungan nyonya teras ngalih,
dibabuan ku pun biang; abdi
mah harita alit kénéh,” jawab
Acing bangun conggah.
Sipir anu ka...
C arita Nyambung

Bagian

192

A

sad neruskeun caritaanana.
Medar
lalakon
pangna
manéhna nepi ka lebah
dinya. Ngan, tangt...
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Mangle 2461
Upcoming SlideShare
Loading in …5
×

Mangle 2461

2,411 views

Published on

Published in: Education
0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total views
2,411
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
5
Actions
Shares
0
Downloads
23
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mangle 2461

  1. 1. L awangSakéténg Ti kenca ka katuhu; Distam (Kepala Sakola), Ensa (Wartawan Mangle), Trisnawan (Guru SDN Buara 04) jeung Ayi Sundana (Wartawan Mangle) Sunda di Peuntas Budaya U rusan kanyaah teu bisa dibobodo. Najan, kasengker, kedalnana éta rasa mah teu bisa dihalang-halang. Tah, nu kawas kitu téh, karasa ku nu dumuk di Brebes, Jawa Tengah. Urang dinya, urang Brebes, teu sing kahalangan ku garis administrasi. Najan aya di wewengkon Jawa Tengah, midulurna ka urang Jawa Barat mah teu nilamnilam. Da, cenah, angger wé ngarasa sabudaya rasa. Saha nu kawas kitu teh? Di antarana Distam, Kepala Sakola Dasar (SD) Negeri Buara 04, Ketanggungan Brebes. Ieu kepala skaola nu kungsi narima hadiah Harja Pamekas téh, teu weléh ngupayakeun sangkan basa Sunda tetep diajarkeun di sakola. Padahal, nyatanyata nu puguh rengkolna kudu diajarkeun mah, basa Jawa. Nu boga karep kawas kitu, lain ukur Distam, tapi 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle umumna kepala sakola nu sumebar di Brebes, pangpangna mah nu padumukna urang Sunda. Lir samiuk, gilig tetep nanjeurkeun pangajaran basa Sunda di lemburna. Upayana, mémang teu gampang. Da, puguh sarana jeung guruna gé kawatesanan pisan. Atuh, kapaksa kudu sabisa-bisa malar bisa. Karepna kitu, teu nogencang. Aya puntanganeun di antarana Kadis Pendidikan Kabupaten Brebes. Mitra, sawatara waktu ka tukang, Ensa Wiarna jeung Ayi Sundana, ngaprak Brebes, nepungan baraya-baraya sabudaya di éta lembur. Loba papanggihan, nu insya Alloh diguar dina ieu majalah. Najan bari mapaymapay jalan tarahal, ‘pribumi’ ge, Distam, teu weleh marengan, kaasup waktu meulah petengna peuting ngajugjug pintonan wayang golek. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS : Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
  2. 2. Ngudag ka Naraka 5 TAMU *) BOIM, 21 TAUN. PENGAMEN “Poék..peuting beuki poékkk …peteng.. mongkléng.. langit beuki mongklénggg.. Bulan… musnaaa!! Manusa..tibraaaa!! Béntaaaang.. Nyumput dina mega.. Rondaaaa..Peré ngajaga..” Tah kitu, jampé-jampéna mah.Inget kénéh.Da enya atuh.Kapan uing gé aya, basa harita Adang ngadadarkeun rencanana ka Bani.Bani tatangga Adang... Dr. H. Tachroni, M.Pd.,: Tuturus Sunda di Lemburna PANINEUNGAN Sanusi Harjadinata Nyegah Perang Dulur Sabangsa ........................................................... 8 Gedong Sate ...................................... 42 Katumbiri .......................................... 44 Bale Bandung .................................... 50 Mangle Rumaja .................................. 51 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 IMPLIK-IMPLIK Mekarkeun Seni Mikawanoh Jati Diri ....................... 10 DI KIWARI MACA BIHARI Potret : Reisyan Péso Gurka ..................................... 17 Diarah Pati Catetan Ajip Rosidi ........................ 30 MIMBAR ATIKAN Kunaon Kiwari Loba Macan Tutul Turun Gunung? Johan Iskandar ............................... 48 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Nyusur Galur .................................... 12 Munara Cahya ................................... 14 Tanya Jawab ..................................... 16 Aweuhan .......................................... 41 JAGAT WANGWANGAN ( 17 - 40 )
  3. 3. K acaTilu Nu Boga Lalakon J aman aya kénéh bioskop Sahati (di Tegallega) jeung Taman Hiburan (di Cicadas) lamun arék lalajo film, nu pangheulana ditanyakeun téh saha nu boga lalakonna. Harita mah nu populér téh ShakilaMahipal (keur anu resep film India) atawa John Wayne (keur anu resep film koboy). Film Cina can loba kacaturkeunana. Komo Koréa mah. Nu dianggap pangpentingna téh mémang nu boga lalakonna. Lain nu nulis carita atawa sutradarana. Disebutna nu boga lalakon téh lantaran nya manéhna anu nangtukeun lakon bakal kumaha-kumahana téh. Enya, éta téh cék sawangan harita. John Wayne anu bakal nangtang duél ka musuhna. Adu hareupan paduduaan, paheula-heula nyabut péstol. Tara ngaduakalian dina derna téh. Sakali jedor gé geus ngagolépak musuhna téh. Atuh dina lebah Mahipal, apan anu disurakan ku anu lalajona téh lebah paberikberik bari tumpak kuda, atawa maén sérmen, perang gobang téa. Mahipal mah geus ti harita mamaké anting téh. Saha-sahana nu boga lalakon téh mémang penting, lain ngan ukur dina film tapi ogé dina kahirupan sapopoé. Kungsi aya nu boga lalakonna téh ngaranna Soekarno. Nénéhna mah Bung Karno. Euweuh papantaranana atuh dina jamanna mah. Mun Bung Karno arék ka Garut, geus pabéjabéja ti piduapoéeunana. Euweuh halangan nu ngaranna anggang. Semet 40 kilo waé mah leumpang gé kaduga kénéh. Dibélaan indit bada solat Isa, nikreuh sapeuting jeput, panasaran hayang ningali Bung Karno dikieuna. Cenah dina waktuna Bung Karno teu jadi datang, bari jeung duka naon alesanana, tara ngarasula ieuh. Béh dieuna nu boga lalakonna téh Suharto. Tara aya anu wani nyebut Bung ka anu ieu mah. Saréréa ngabasakeunana ogé Pa. Duka pédah ka tentara meureun. Pan loba kabéjakeunana tentara mah sok ngaheulakeun ngagaplok batan nanya. Ninggangna di loba kasieun. Boro-boro ku Pa Harto dalah kakara ngadéngé nyebut-nyebut Koramil gé geus kokompodan. Ulah kumawani siah, najan ngarasa bener gé. Bisi matak teu salamet. Naha atuh, geus tariking kitu cék Pangéranna, nu tadina sakitu geueumanana téh kasaksian ku saréréa ninggalkeun istana bari terus henteu balik deui. Geura étah anu cikénéh pada mikasieun téh nepi ka diléléwaanana ku barudak mahasiswa. Padahal kira 30 taun ka tukang mah ku mahasiswa Pa Harto téh sasat dirawu dipangku. Bener ceuk ustad, nu ngaranna manusa mah tara aya nu langgeng. Gunta-ganti sababaraha kali deui nu boga lalakon di urang téh. John Wayne ngan kari filmna. Kitu deui Mahipal. Geus garanti ku nu alanyar ayeuna mah. Jaman John Wayne, nu baroga lalakon téh karereng, tareuas, ari enonna gareulis kabina-bina. Ari kadieunakeun anu garumeulis téh bet lalakina. Nu boga lalakon di urang gé apan kungsi aya anu teu resep kana heureuy jeung anu karesepna kana lulucon. Blas-blus kaluar-asup istana, siligenti da geus kitu ti dituna mana kitu gé. Malah apan kaparengkeun nu boga lalakonna téh resep tetembangan jeung hihitaran. Tayohna, lantaran jongjon teuing nyusurup sora hitar, nepi ka panto dora aya anu muka gé teu kadéngé. Kanyahoan-kanyahoan sanggeus nu boga hadasna kacerek ku upas. Kutan manéh nya anu jadi tukang gerejudna téh? Apan umangkeuhna gé, salawasna bisa milih, cenah. Kadé, sakeudeung deui gé bakal kajadian éta téh. Sing saha anu raresep kénéh kana tatanya saha anu boga lalakonna, ayeuna mangsana aléwoh tatanya ka sasaha. Pan cenah gé, bodo aléwoh téh kaasup papagon anu diéstokeun di Paguyuban Pasundan mah. AM Manglé 2461 3
  4. 4. K oropak Caah Unggal Taun Sampurasun! Caah di mana-mana. Di puseur dayeuh, Jakarta mah geus puguh. Di Bandung ogé Balééndah sarua, sok caah. Tah, kana caah urang téh, biasana sok narimakeun waé. Lantaran, pihak pamaréntah saperti teu aya pencegahan nu daria atawa teu aya persiapan mahing caah atawa program upama aya caah. Lolobana sadrah waé. Tah, palebah dieu kuduna pamaréntah leuwih mrogramkeun upama datang caah. Sosialisasi ka masarakat ogé kedah dilobakeun. Lantaran éta tugas pamaréntah. Sakitu waé. Hatur nuhun. Wassalam Pa Dede Balééndah Bandung Buku LKS, Dilarang Jual? Sampurasun! Nyi Manglé damang? Punten ngiring nyerat perkawis kabutuhan sakola, di antarana buku pegangan barudak. Cenah, di sababaraha sakola béda-béda. Upamana waé di SD kota jeung di kampung sok béda. Aya nu maké LKS aya ogé anu henteu, alias pihak sakola nyieun husus keur murid-mudirna. Hartina LKS téh teu unggal guru maké LKS nu maneuh jieunan hiji penerbit. Simkuring maca-maca saeutik masalah LKS. Di antarana, Lembar Kerja Siswa (LKS), cenah, hadéna mah unggal sakola bisa nyieun sorangan. Terusna deui, LKS teu meunang diayakeun atawa diusahakeun tina dana BOS, komo dijual mah. Tah nu jadi perhatian simkuring mah, lantaran, kabeneran sakola budak, guruna téh maké bahan ajar LKS. Malah méré péér ogé tina LKS nu lain hasil nyieun guru. Poho penerbitna mah. Tapi palebah simkuring néangan ka toko-toko buku, éta buku LKS téh teu dijual atawa teu aya. Da, cenah LKS mah dilarang dijual. Patarosan salajengna. Naha engkoh dipaké bahan ajar di sakola, tapi ari meuli hararésé. Lain, keur ningkatkeun ajén murid di sakola, antara nu cekel guru jeung nu dicekel murid kudu sarua? Terus simkuring ogé nananyakeun, cenah aya nu ngajualan buku LKS. Tapi barang ditepungan, teu ngaku dagang. Beu! Meureunan sieun dilaporkeun. Tah, kitu gambaran nu kaalaman simkuring mah. Ieu mah badé tumaros ka pihak dinas terkait, kumaha saéna, sangkan murid bisa nuturkeun pangajaran nu ditepikeun ku guruna lamun maké bahan ajar LKS. Terus, cenah di daérah séjén mah aya sakola méré kawijakan, keur meuli éta buku LKS ti penerbit, terus dibagikeun ka murid, sangkan teu katinggaleun teuing. Ceuk imkuring, éta sakola kréatif jeung ngarti kana kahayang murid jeung wali muridna. Sakitu waé, mudah-mudahan ajén préstasi siswa di urang bisa leuwih maju. Wassalam, KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDA Héndriyana Cileunyi Bandung Gawé bareng MAJALAH MANGLÉ, MANGLE-ONLINE, MUSEUM SRI BADUGA JEUNG YAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT Waktu Kursus/Pematéri: 1. 2. 3. 4. 5. 6. 7. 8. 9. Sajarah Tatar Sunda (Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.) Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri) Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.) Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd) Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana) Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum) Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda) Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli) Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum) Tempat jeung Waragadna : Waktu : 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014 Tempat : Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung Waktos : 08.30 – 15.30 WIB Waragad : 300.000,- (tilu ratus rébu rupiah) Daftar ka : Tuti Rohimah (Mangle) Tlp. (022) 7303438, Hp. 085721307232 Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah Paramita Salila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang. 4 Manglé 2461
  5. 5. T amu Karepna, nyegah Sunda ilang di lemburna. Ngan, kumaha carana, da puguh lemburlembur Sunda nu aya di Brebes téh ayana di Propinsi Jawa Tengah? Manglé ngolongan pamanggih Dr. Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes, Jawa Tengah. *** Dr. H. Tachroni, M.Pd., : Tuturus Sunda di Lemburna B angun seunggah ngoléséd ti hareupeun panggung téh. Da, sok ras ka jaman keur budak, mun lalajo wayang golék téh nepi ka tutugna, tamat lalakon. Kakara sotéh ngagoloyoh ti sabudeureun panggung upama tutup lawang sigotaka. “Ayeuna mah, teu tiasa sawengi jeput atuh nongton wayang gé, da piraku di padamelan lelenggutan,” ceuk Dr. H. Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes, Jawa Tengah. Ngobrol téh, sawatara waktu ka tukang, basa Manglé ngahaja ka Berbes, ngalanglang urang Sunda di éta lembur. Pas jeung usumna raraméan, nu di antarana aya pintonan seni Sunda, saperti Jaipongan jeung Wayang Golék. “Bawirasa, kasundaan tiasa disambungkeun ku para guru ka murid-muridna,” ceuk ieu urang Karadénan, Brebes téh. Ngawangkong téh dina sela-sela pintonan wayang golék, satutas juru kawih ngahaleuangkeun Kembang Tanjung. Pa Kadis, sumanget naker diajak ngobrolkeun basa Sunda di wewengkon Brebes téh. Kajurungu Hariring Indung Baheula keur budak, cenah, mémang teu ngarti, naha di SMP mah teu diajar basa Sunda, tapi basa Jawa? Padahal apan sidik urang lembur sabudeureunana mah basa Sunda. Campur gaul jeung babaturan boh di sakola boh di pangulinan, nyarita téh basa Sunda. Kapanasaranana, beuki lila-beuki nyangkaruk. Ahirna, nya kakara ngarti, pangajaran basa di sakola mah, kumaha kawijakan pama- Manglé 2461 5
  6. 6. T amu réntah! Keur budak, memang remen ngadéngé dongéng nu tumali jeung lemburna. Tina dongéng téa, apal wéh dulur-dulur nu sabudaya rasa téh lolobana mah di Jawa Barat. Atuh, waktu ngadéngé nu ngahariring “néléngnéngkung- néléngnéngkung geura gedé geura jangkung...”, bet asa kajurung, hiji waktu mah, hayang sakola ka Bandung. Matak, waktuna kuliah, mun batur loba nu milih sakola ka tatar wétan, Tachroni mah, milih ka kulon, nyuprih élmu di IKIP (UPI) Bandung. Ngancik di Bandung teu tumamu, da ngarti kana basa masarakat sabudeureunana. “Asa di lembur sorangan,” pokna nyoréang mangsa ka tukang. Sakolana gé tanjrih. Angger neruskeun S-2 jeung S-3 gé di Kampus Bumi Silwangi (UPI) jalan Setiabudi Bandung. Di dieu, lain ukur ngalap élmu di kampus, da biasa deuih tolab élmu di Daarut Tauhid, pingpinan Aa Gym. Lian ti kitu, aktip deuih dina rupa-rupa organsiasi kamahasiswaan. Komo apan harita mah, mangsa kuliahna téh dina pungkasan Orde Baru asup kana Orde Reformasi. Ieu nonoman urang Karadenan gé, biasa aktip ula-ilu dina kagiatan mahasiswa kaasup remen démo boh di Bandung boh di Jakarta. Ancrub ka tengah-tengah dunya akademis nu aya di lingkungan Sunda, ceuk Tahcroni mah, lir aya dina kawah Candra Dimuka. Di dieu, bisa ngulik rupa-rupa paélmuan, nu lain ukur di kampus. Enya, apan di bandung mah, remen naker disukusi-diskusi atawa seminar téh. Keur urang lembur nu anggang ti Bandung, kakayan kitu téh, kacida gedé mangpaatna. “Seueur mangpatna, janten nambihan pangaweruh sareng kaludeung,” pokna bari mesem. Ceuk pikirna, urang Sunda téh loba nu palinter. Di dunya akademis, loba teureuh Sunda nu diajénan pihak sején. Ku kituna, keur inyana gé, jadi leuwih gedé haté, nu ahirna teu weléh timbul sumenget hayang ningkatkeun pangaweruhna. “Tangtos reuues janten urang Sunda téh,” pokna. Kareueusna, kampus-kampus di tatar Sunda, ceuk Tachroni mah, teu weléh jadi barométer ‘pergerakan’ mahasiswa di Nusantara. “Mun Jawa Barat aman, Indonesia gé amanlah,” pokna teu weléh mésem. Ngan, cenah, mémang aya pasipatan nu siga teu pati titotorosol kana jabatan, urang Sunda mah. Da, geuning mun ogé dina démo-démo, lolobana mah ‘purah mikir’ jeung ‘ngonsépna’, ari nu sok tembong jeung sohorna mah, umumna batur! Matak, keur inyana mah, teu héran, najan urang Sunda téh palinter, ari Tuturus buadaya di lemburna 6 Manglé 2461 ngalalakon nonjolkeun diri mah, bangun teu harayangeun. Mulang Tarima Satutas ‘nanjung’ ngaliwatan Bandung, Tahcroni, mulang ka sarakan sorangan. Ngabdikeun dirina dina widang pendidikan. Da, puguh di dinya dunyana, digawéna gé, lir kuya dialungkeun ka leuwi, betah wé. Ngan, ku lantaran kabisana lain ngan ukur ngawurukan barudak, tapi deuih boga bekel ‘ngawangun jaringan’ atuh ka mana-mana gé blas-blus. Matak, teu anéh, mun ‘kaincer’ ku nu nyekel kakawasan di tingkat kabupatén gé. “Pagawé nagri nya kedah loyal, di mana wé di tempatkeunana, kedah kersa sareng daria,” pokna. Tangtu, wé karirna gé, teu weléh nérékél. Ahirna, kapeto jadi Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes, Jawa Tengah. “Kalebet kepala dinas pangorana, waktos diistrénan téh,” ceuk ieu Doktor pendidikan nu umurna 43 taun téh. Balik ka lembur, waktuna mulang tarima. Cenah, saha waé gé tangtu nyaah kana budaya karuhunna. Kitu deui inyana, nyaah pisan kana budaya Sunda téh, kaasup kana basana. Ngan, waktu disanghareupkeun kana kanyataan, basa Sunda di lemburna, teu meunang tempat anu merenah, dirina uleng mikir. Salaku pajabat Dr. Tachroni, M.Pd. (tengah), Kadisdik Kab. Brebes
  7. 7. pamarentah, tangtu wé kudu ngalaksanakeun kawijakan anu nyampak, kaasup nu tumali jeung basa Sunda. Tumali jeung pangajaran basa gé kitu, saperti kepala dinas pendidikan téh kudu ‘ngawal’ palaksanaan pendidikan di wewengkon nu digérohna, nya kaasup nu tumali jeung pangajaran basa. “Najan di wewengkon nu nyata-nyata padumukna maraké basa Sunda, naha éta basa teu kaagéhan tempat?” pokna semu nanya. Tangtu wé, patalékan kitu téh keur dirina mah, lain ukur semet panasaran. Da, tumanya kitu téh, ébréhna kanyaah ka basa séler bangsana. Sanggeus mikir dibulak-balik, sarta ngimeutan ruparupa aturan nu nyampak nu tumali jeung basa, inyana gé langsung ngirimkeun Surat ka Gupernur Jawa Tengah. Intina, miharep basa Sunda diajarkeun di lingkungan barudak Sunda. Kahayang kitu memang dihaminan. “Di sakola-sakola nu lingkunganana barudak Sunda, basa Sunda diajarkeun di sakola,” pokna tandes naker. Pangaruhna gedé naker keur para guru gé. Nu asalna asa-asa, ayeuna mah, teu kudu hangham. Najan dina kurikulum taya pangajaran basa Sunda, nu aya mah basa Jawa, tetep nu diajarkeun basa Sunda. Urang Sunda di Brebes, nganggap lemburna téh, lembur Sunda. Ari Jawa Tengah mah, ukur garis administrasi pamarentahan propisni. Da, padumukna mah ngaku arinyana téh pribumi nu tiluluhurna gé angger di dinya. Di wewengkon Brebes nu ngawengku tujuh welas kacamatan, urang Sunda téh sumebar di dalapan kacamatan. Najanpangajaran basa Sunda di Jawa tengah teu ditangtayungan ku payung hukum anu jinek, para kepala sakola SD teu ngarasa hariwang ngajarkeun basa Sunda. Kitu téh, lantaran dirojong ku Kadisna. Atuh, mun dunungan sakitu ngahucuhkeun barudak sina dialajar basa Sunda, sageuy guruna ngantep. Ngan, kumaha upama ganti dunungan, heug teu sarua kanyaahna kana basa Sunda? Tah, éta patalékan téh remen nepi ka Dr. H. Tachroni gé. Ngan, ari keur Pa Kadis mah, nu penting sagala rupa kasempetan nu aya ayeuna dimangpatakeun sahadéhadéna! Miang tina Panineungan Karadenan, lembur H. Tachroni, saperti lembur Sunda umumna. Atuh, ka tukang-tukang mah, dalitna lembur jeung seni Sunda gé écés naker. Teu jarang, nu kariaan gé, saperti nyunatan, ngawinkeun, jeung sajabana, biasa naker tatanggapan wayang golék téh. Dalangna, lian ti urang lembur ogé, biasa ngondang dalang sohor ti Jawa Barat, saperti ti Kuningan, Subang, jeung Bandung. Obrolan Manglé jeung Kadis Pendidikan, remen ébat, kabébénjokeun ku antawacana Ki Dalang Sudarya Iskandar, dalang pribumi, nu remen manggung ka jauhna. Keur ahli pendidikan saperti Dr. Tachroni, M.Pd., pintonan kasenian Sunda téh, hadé pisan keur tururus nanjeurkeun budaya Sunda kaasup basana. Komo deui, cenah, wayang golek, leubeut ku palsapahna. Matak, waktu hawar-hawar, Ulang Taun ka 336 Brebes, tina tujuh titik panggung, Tachroni, ngusulkeun dua panggung huus keur kagiatan seni Sunda, di antarana wayang golék jeung Jaipongan. Teu ukur nyadiakeun pintonan keur masarakat, tapi Kepala Dinas mah ngeprak guru jeung kepala sakola sina lalajo wayang. Da, cenah, tina pintonan wayang gé bakal loba luang keur guru mah dina ngajarakeun basa jeung budaya Sunda. Atuh, teu anéh, upama ajakan kitu téh, dibagekeun ku para guru gé. Di antarana pagaliwotana nu lalajo gé, guru-guru jeung kepala sakola nu hadir di tengah-tengah masarakat. Kadisna ogé teu tinggaleun. Miara budaya, ceuk Kadis Pendidikan, meujeuhna mun digedurkeun di sakola. Apan, kekecapanana gé, sakola téh ‘puseurna’ kabudayaan. Ngan, cenah, tangtu wé, mun ‘urang girang’ ngajak, lain ukur ku lalambé, tapi kudu jeung prakna. Kawasna, Pa Kadis mah, mahing élmu ajug. Da geuning, ngupayakeun nanggap wayang golék, ngajakan guru jeung kepala sakola sina lalajo, inyana gé sarua milu lalajo! *** (Ensa/AS) Ngeprak balad lalajo wayang Manglé 2461 7
  8. 8. P anineungan Sanusi Harjadinata Nyegah Perang Dulur Sabangsa Méh-méhan perang sadulur. Mun dina wayang mah perang Baratayuda. Kitu téh, lantaran dua kakuatan adu hareupan, antara nu bébéla ka Bung Karno jeung pihak nu sabalikna. Saha nu nyegah éta pacéngkadan? Naha enya teu jadina perang sadulur téh lantaran jasa Sanusi Harjadinata? Endang Karman, inohong Sunda, nembrakkeun panineunganana. *** S aban nyanghareupan parobahan kapamingpinan nasional, ingetan Endang Karman teu weléh eunteup ka mangsa baheula. Waktu kakawasaan Bung Karno lekasan, diganti ku Orde Baru, nyanghareupan Sidang Istiméwa MPRS, taun 1967, méh-méhan kajadian perang rongkah. “Tah, nu nyalametkeun bangsa tina perang sadulur téh, di antarana Sanusi 8 Manglé 2461 Sanusi Harjadinata, inohong Sunda Harjadinata,” ceuk Endang Karman mantén anggota DPR RI asal tatar Sunda. Nilik ka dinya, urang Sunda téh, ceuk Kang Endang (kitu katelahna), payus reueus lantaran boga inohong nu gedé jasana ka nagara katut bangsa. Mun téa mah, nepi ka kajadian perang sadulur antara nu bébéla ka Bung Karno jeung pihak séjén nu sabalikna, nu baris korban téh moal kurang ti sapuluh juta jiwa. Sabab, cenah, nu micinta Bung Karno téh loba kacida sarta sumebar di mana-mana. Harita, nu miharep Presiden Sukarno dijagragkeun di pangadilan kacida kuatna. Eta pihak meredih tanggung jawab Bung Karno ku ayana kajadian Gerakan 30 September 1965. Nya tangtu mun Bung Karno ngeprak balad, ngagunakeun kakuatanana, bisa jadi ti dua beulah pihakanana téh bakal loba nu jadi korban. Dina dua kakuatan nu adu-hareupan, antara loyalis Sukarno jeung kakuatan pamaréntahan anyar nu diluluguan ku Suharto, inohong Sunda Sanusi Harjadinata, aya di tengahtengahna. Inyana, nu dipikanyaah ku Bung Karno sarta diajénan ku pihak nu boga kakuatan anyar, jadi panyambung catur dina upaya nyegah banjir getih. Sanusi bulak-balik nepungan dua éta pamingin sarta nepikeun kaayaan di ‘lapangan’ nu harénghéng lir nu mapag perang Baratayuda. Ketakna kitu, tinemu hasil. Eta tokoh Jawa Barat téh mampuh jadi ‘diplomat’ nu nguntungkeun sakumna pihak. Pamustunganana, Sidang Istimewa MPRS mustuskeun Presiden Sukarno dieureunkeun tina jabatanana lantaran dianggap teu mampuh ngalaksanakeun tugasna dumasar kana UUD 1945 ogé intruksi-intruksi jeung katangtuan MPRS. Dumasar kana tinimbangan kitu ogé, dina tanggal 12 Maret 1967, MPRS ngangkat Suharto jadi pejabat presiden. Ti harita, Presiden Sukarno pangsiun kalayan ‘status’ tahan rumah, ditempatkeun di Istana Bogor nepi ka pupusna.
  9. 9. Inohong Masagi Sanusi Harjadinata téh tereuh Sukawening, Garut, Jawa Barat. Lahir taun 1914, bibit-buitna kulawarga patani nu ramana jadi lurah desa. Satutas namatkeun HIS Garut, Sanusi neruskeun sakola guru (HIK) di Bandung. Ancrub kana pulitik kairut ku pidatopidato jeung tulisan Bung Karno dina mangsa lemah cai méméh merdeka. Atuh, waktu dug-degna partey pulitik, inyana gé milih jadi anggota PNI. Waktu Belanda ngayakeun agresi militer (1947), Sanusi katangkep di Tanggerang. Sabada dibébaskeun, inyana miang ka Yogyakarta nu dina mangsa harita éta tempat téh jadi ibukota Republik Indonesia. Basa Belanda ngayakeun agresi militer nu kadua (1949), Sanusi katangkep deui di Madiun. Sabada dibébaskeun, mulang ka Jawa Barat sarta diangkat jadi Residen Priangan. Dina taun 1951, diangkat jadi gubernur Jawa Barat, kituna téh nepi ka taun 1957. Saterusna, kungsi jadi Mentri Dalam Negeri dina réngréngan Kabinet Juanda. Taun 1959 kabinet diganti, Sanusi jadi Dutabesar RI di Kairo (Mesir). Kituna téh nepi ka taun 1963. Mulang ka sarakan, jeneng Rektor Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung, nepi ka taun 1966. Ti dinya, meunang kapercayaan jadi Menteri Utama Pembangunan dan Industri, saterusna jadi Menteri P dan K. Marén pancen tina jabatan menteri, mulang deui ka Bandung. Milih deui makalangan dina partey. Taun 1975 jadi Ketua Partey Demokrasi Indonesia (PDI) ti unsur PNI. Dina mangsa éta, kungsi jadi Angota Dewan Pertimbangan Agung. Ari icikibungna dina urusan partey pulitik, nepi ka taun 1980. Nilik kana lalampahanana, ceuk Kang Endang Karman, Sanusi Harjadina téh inohong Sunda ‘nu masagi’. Ninggang kana kekecapan, luhur elmu jembar pangabisa. “Pa Sanusi mah nagarawan, cendekiawan, Muslim nu taat, pendidik, diplomat, ogé panganut tasaup,” pokna. Dina implengan Endang Karman, Sanusi téh inohong Sunda nu apal kana palsapah, sajarah, jeung adat-istadat Sunda. Kanyahona kitu, dikuatan deuih ku kataatanana kana agama. Ebréh dina paripolahna, lian ti nyunda téh deuih dibarung ku kasolehan sosial nu didadasaran ku agama. “Da, anjeunna mah apan ngagem tarekat,” pokna. Paripolahna, ceuk Kang Endang, leuwih ngutamakeun kamaslahatan balaréa batan ukur mentingkeun pribadi jeung golongan. Atuh, dina urusan kahirupan, teu sing mentingkeun kakawasaan. “Dina mémérés pasualan, leuwih ngaheulakeun kapentingan balaréa kalayan ngalarapkeun paribasa caina herang laukna beunang,” pokna. Sikepna dina pulitik, ogé ébréh. Pulitik téh keur Sanusi Harjadinata pangurus Cabang PDI di Bandung, boga pikiran, hayang ngajenengkeun putra Sunda jadi pingpinan Partey Pulitik. “Mun kaduga, saterusna sina jadi Presiden, kitu angkanan mah,” pokna. Tinimbangan Endang Karman, lian ti Sanusi téh masagi, deuih bisa ditarima ku méh sakumna golongan nu aya di PDI. Jalan nu disorangna, mémang tarahal. Ku lantaran kitu, Endang ngadongéngkeun pakarepanana ka pihak séjén. Horéng, loba nu ngahami- Endang Karman mah, alat atawa pakakas keur kahadéan manusa. Kamandangna kawas kitu, katangén dina méméres pasualan. Mun kiwari loba nu percaya yén dina pulitik mah euweuh kawan jeung lawan anu abadi da nu aya mah kapentingan, keur Sanusi mah, nu kawas kitu téh dipahing pisan. Apan, papatahna ge, “Beda aliran pulitik jeung idiologi mah, teu nanaon, nu penting ulaha nepi ka megatkeun duduluran,” Kang Endang malikan deui kekekcapan éta inohong. Upama Endang Karman apaleun kana lalakon Sanusi Harjadinata, da mémang wanoheun ti ngongora. Baréto, Kang Endang, aktip dina Gerakan Pamuda Marhaenis (underbow PNI). Rémén ngadédéngekeun pidato jeung papatah Sanusi Harjadinata katut para inohong partéy séjénna. Lian ti kitu, remen ubral-obrol rupa-rupa hal nu tumali jeung kahirupan kanagaraan disawang tina sisi partéy pulitik. Waktu Patai Demokrasi Indonesia (PDI) ngayakeun kongrés di Istora, Senayan, Jakarta, Endang nu harita jadi nan. Atuh, saterusna, dina kongrés éta pakarepan téh ditepikeun ka balaréa. “Sacara aklamasi, Pa Sanusi kapilih jadi Ketua Umum Partey Demokrasi,” pokna. PDI nu dijerona ngawengku sababara partey, ngaliwatan ‘fusi’ téa, tétéla nyidem bibit-buit pacéngkadan. Kituna téh, manjang nu ahirna, partey téh sibuk méméres pasulan di jero. Antukna, ku lantaran Sanusi Harjadinata mah, teu resepeun kana pacogrégan, milih ngundurkeun diri tina kalungguhanana di éta partey. Gurat pulitik jeung kamanusaan, natrat dina pribadi Sanusi Harjadinata. Ceuk Kang Endang, upama urusanana tumali jeung kamanusaan nu mentingkeun duduluran, Sanusi mah, tara nyampurkeun éta urusan jeung aliran pulitik. Geuning, saha waé nu teu damang komo nu tilar dunya, boh sobat boh lawan pulitik anjeunna mah teu weléh ngalayad. “Tah, pasipatan kitu nu kacida arangna di urang mah,” ceuk Endang Karman. *** (Ensa/Nay) Manglé 2461 9
  10. 10. I mplik-implik Seni lain ukur kalangenan. Da, loba mangpaatna, kaasup nguatan jati diri masarakat. Kitu ceuk Wawan Ridwan, pupuhu Padepokan Tanjung Cempaka Wangi. *** L ebah tanjakan, ngabring dibaraju pangsi. Léok méngkol, ka lebah wawangunan hateup eurih sisi jalan. Ti kajauhan, ti éta tempat téh kadéngé térététna sora tarompét mirig golémpang kendang penca. Di mana éta téh? Di ditu, di Kampung Tiisdingin, Désa Loa, Kacamatan Paséh Majalaya, Kabupatén Bandung, Jawa Barat. Barudak nu diparangsi hideung, hut-hét metakeun rupa-rupa jurusna. Bagilir siligenti némbongkeun momonésna. Saban réngsé pintonan, sakur nu araya di dinya ngabagéakeun ku keprok tandaning kataji ku momonés nu némbongkeun pangabisana. Kagiatan nu kawas kitu, maneuh kadieunakeun mah. Nu daratang ka dinya gé ti sababaraha padépokan. Enya, apan éta tempat téh, ayeuna mah lir pangauban. Nu biasana teu boga kagiatan maneuh, ayeuna mah barudak nu dialajar silat gé bisa mayeng latihan nu sakalian mintonkeun kamampuhanana. Ka dieunakeun, éta lembur téh beuki haneuteun. Da, jadi pangauban urang lembur nu pada-pada boga karesep kana seni pangpangna mah. “Seueur poténsi nu sakedahna dipatéahkeun sangkan langkung mekar,” ceuk Wawan Ridwan. SE., MM., pingpinan Padépokan Tanjung Cempaka Wangi. Wawan Ridwan téh pangsiunan. 10 Manglé 2461 Wawan Ridwan. SE., MM. (kadua ti kénca), pingpinan Padépokan Tanjung Cempaka Wangi Padépokan, nuwuhkeun sumanget anyar Meunang pangbagéa ti balaréa
  11. 11. Mekarkeun Seni Mikawanoh Jati Diri Réngsé mancén gawéna di dinas nu raket tumalina jeung budaya, inyana mah teu cicingeun. Matak, satutas pangsiun, teu megatkeun katineungna kana budaya. Saperti umumna palemburan di tatar Sunda, kasenian téh hirup sumebar di saban tempat. Ngan, loba nu hirup teu jeung huripna. Atuh, dina nganteur kalangenana, ogé loba nu ukur sakadugana. “Seueur pakumpulan seni sapertos penca silat tapi teu gaduheun pakakasna,” pokna. Ngabandungan kaayaan kitu, Wawan Ridwan ngarasa, misti aya pihak-pihak nu mampuh marengan masarakat dina ngalaksanakeun pakarepanana. Da, ceuk ieu manten Kepala Balai Kepurbakalaan Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Propinsi Jawa Barat téh, karep masarakat mekarkeun kalangenana butuh panuyun pihak séjén. “Ku daraékna gé sabenerna mah geus alus,” pokna. Dina implengan Wawan, kasenian di palemburan bisa hirup jeung huripna, upama meunang pangrojong ti balaréa. Da, cenah, ari akar-akar jeung kadaék masarakat mah teu kurang-kurang. Geura wé, arinyana masih kénéh daék ngaleukeunan seni talari karuhunna. Seni warisan karuhun, bisa hirup jeung huripna. Ngan, tangtu wé lamun aya nu ngarojong, kaasup pangrojong ti pamaréntah. Da, nepi ka danget ieu mah, hirup-huripna seni téh ukur ngandelkeun masarakat nu mitineung kana éta kasenian. Dina mangsa mahabuna kasenian ti luar, loba lingkung seni kasilihkeun. Apan, ayeuna mah, beuki arang nu hahajatan saperti nyunatan nanggap penca silat. Atuh, beuki dieu, éta kasenian téh beuki jauh jeung balaréa. Kapunjulan Alam Lembur Tiisdingin, perenahna teh di Majalaya. Ti termina, aya kana tujuh kilo meterna. Jalanna nanjak-mundun pungkal-pengkol, ilaharna di pagunungan. Alam kawas kitu, horeng nyidem ruparupa kapunjulan nu payus jadi kareueus masarakatna. Di dinya, ge di antarana aya sababaraha situs nu sok didatangan ku masarakat sabudeureunana. Lain ti eta, aya deui pangulinan, saperti Curug Eti tea. Adumanis kapunjulan alam jeung budaya, bisa jadi pangirutan wisatawan. Matak, Wawan Ridwan nu dina mangsa mancen gawena aya di ‘lingkungan’ Dinas Pariwisata Jawa Barat, boga karep ngamangpaatkeun eta kaayaan. Padepokan Tanjung Campaka Wangi, memang pangauban. Da, ahirna mah, lain wae nu lalatihan penca silat nu biasa tepung lawung di dinya teh, tapi deui sababaraha kuncen nu aya di sabudeureun eta tempat. “Ngahaja juru piara (kuncen) ge diajakan ngagabung di ieu padepokan,” ceuk Wawan Ridwan. Dina angen-angen ieu pupuhu padepokan, sumanget masarakat miara seni Sunda, bisa dimekarkeun jadi rupa-rupa kapentingan, saperti wisata jeung ékonomi. Tumali jeung wisata, di wewengkon éta tempat aya pangjugjugan. Aya curug nu biasa dianjangan ku nu arulin. Beuki dieu éta curug téh beuki sohor, da tina béja nu terus pabéja-béja. Atuh, Curug Eti nu anggangna ti padépokan ukur sakilo méter téh beuki haneuteun. Méh saban poépoé peré barudak sakola, éta tempat jadi pangulinan. Loba jalma, loba kagiatan, loba anléh jeung momonésna. Saterusna, bakal loba pangaruhna, kaasup tumali jeung ékonomi. Keur urang lembur saperti Majalaya, apan geus boga katuangan has, nu diantarana téh borondong téa. Mekarna pariwisata, loba untungna keur kamekaran ékonomi gé. Apan, bisa jadi cukang lantaran mekarna kulinér ogé cendera mata. Hartina, hasil-hasil kaolahan jeung barang karajinan, bisa jadi pamuka lawang usaha geusan karaharjaan. Dina angen-angen Wawan, loba kénéh nu bisa dimekarkeun. Inyana gé boga rarancang hayang mekarkeun batik nu has di éta tempat. Lantaran cenah, batik ti éta daérah gé boga ciri mandiri nu béda jeung batik-batik séjénna. Léngkah mekarkeun lembur ngaliwatan padépokan, keur Wawan mah, impian ti baheula mula. Karepna kitu, mémang kajurung ku kamampuh jeung pangalamanana. Padépokan Tanjung Cempaka Wangi, beuki dieu beuki haneuteun. Nu ngadon ulin ka dinya gé lain waé warga sabudeureun éta lembur, tapi deuih ti jauhna. Atuh, pangbagéa ti pamaréntah gé mimiti témbong. Eta padépokan gé kungsi narima bantuan ti pamaréntah keur ngabebenah padépokan jeung sarana séjénna. “Alhamdulillah seueur nu ngarojong,” pokna. Kapunjulan lembur, can karojong ku sarana séjénna. Nu boga karep ka éta tempat, mun teu mawa kandaraan pribadi, kudu kana ojég, da kéréték mah moal kuateun nanjakna. Hartina, mun éta tempat dijadikeun pangulinan, salah sahiji bangbaluhna mah, sual patalimarga, lantaran taya kandaraan umum nu lalar-liwat ka lebah dinya. *** Manglé 2461 11
  12. 12. N yusur Galur Punden Berundak Gunung Padang Eunteung Jaman Kiwari M inggu pengker pedaran Lutfi Yondry sang Arkeolog parantos dugika nyarioseun pingpinan karismatik. Pikeun masarakat ajen karismatik sang pamingpin téh mangrupa unsur anu nangtukeun nu engkna bisa digunakeun pikeun narik jeung ngagumulungkeun spirit masarakat. Mulang deui kana permasalahan ngadegkeun wangunan monu men megalitik di tengah pakampungan anu padumukna seutik, tangtuna dina kagiatan saperti kitu dibutuhkeun rempug gawé rereongan atawa gotong royong tepi ka masarakat bener-bener bisa gawé babarengan dina waktu ngawangun jeung mindah keun wawangunan monumen megalitikna. Kitu nu diungkabkeun ku Lutfi Yondri neruskeun pedaran ana. Cara mindahkeun batu anu kacida badag tur beurat na kungsi diungkabkeun ku Rumbi Mulia (1980) dina tulisana anu dijudulan “ Nias the only Older Megalithic Tradision In Indonesia”. Dina tulisana dipintonkeun kumaha carana mawa batu (menhir) ku jalan gotong royong, rempug gawé babarengan sakuma masarakat padumuk kampung tempat diwanguna monumen. Nu mingpin gawé gotong royongna, lalaki bedas nangtung luhur batu bari ngayun-ngayun pedangna luhur sirah (Mulia 198022). Percobaan mindahkeun batu maké teknologi basajan ku sajumlah manusa anu teu sabaraha lobana kungsi dilakukeun ogé di Bougon Perancis kulon taun 1979. Ku jalan ngagunakeun tilu teukteuk kai baradag anu masing-masing digerakeun ku tanaga 20 urang jelema, tapi tétéla mampuh mindahkeun batu anu beuratna 32 ton ( Rnfrew 1996; 301). Sikep musyawarah Sikep musyawarah dina nyindekeun putusan masarakat megalitik dipintonkeun dina barang titinggal arkeologis mangrupa tahta batu (stone seat) jeung batu ngarengkol (stone enclosute) nu mangrupa batubatu monolit anu disusun maké pola husus. Loba ngaran anu dipaké nyebut titinggal saperti kitu. Jigana baé ngaran-ngaran éta téh aya kaitanna jeung istilah nu disebut ku masarakat di lokasi tempat titinggal 12 Manglé 2461 sajarah téa aya. Jeung aya ogé anu aya kaitanna jeung perenahna lokasi di alam. Saperti di jawa paninggalan saperti kitu disebut maké istilah “watu kandang”. Sababaraha bentuk susunan batu nu ngarengkol anu dénahna pasagi, aya bujur sangkar masih bisa ditengetan di punden umpak Gunug Padang. Tina data sarupa kitu tangtu bisa ditapsirkeun yén masarakat megalitik Gunung Padang baheula geus mintonkeun tata cara musawarah dina waktu nyindekeun putusan. Kulantaran korsi-korsi batu di hiji kolompok paninggalan henteu loba. Tangtuna éta ngaindikasikeun yén teu kabéh anggota masarakat milu musawarah, tapi ngan diwakilan ku sawatara urang anggota masarakat nu dianggap wawakil anggota masarakat jaman baheula. Ceuk Lutfi, bisa dibandingkeun jeung masarakat jaman kiwari, sabenerna baheula kompleksitas kahirupan masarakat megalitik bisa jadi jauh leuwih basajan. Kabasajanan ieu disababkeun kulantaran tingkat karageman masarakat jaman harita henteu sakomplek kaayaan masarakat kiwari . Tapi kumaha ajen kapamingpinan, milih pamipin atawa pamingpin nu muncul di tengah masarakat , ajen rempug jukung babarengan jaman harita tangtuna bisa dijadikeun eunteung pikeun hirup bermasarakat jaman kiwari. Punden Gunung Padang anu sakitu badagna turta diwangun ku rewuan balok batu andesit jaman baheula, bisa dicindekeun mustahil bisa ngawujud upma henteu dipingpin ku pamingpin karismatik.anu hubunganna raket jeung masarakat. Lian ti kitu tangtuna hal ieu oge dirojong ku ayana sikep musawarah jeung sikep gotong royong nu mampuh ngahimpun sakumna masarakat pikeun ngawujudkeun punden umpak Gunbung Padang dina jaman baheula. Tina rewuan balok batu andesit nu disadiakeun ku alam di Gunung Padang. Masarakat Gunung Padang jaman baheula geus maher ngamangpaatkeun sumber daya batuan anu geus nyampak. Terus dipilih, saterusna disusun anu beres tur rapih make tehnik susun anu arif dina merenahkeun tempat upacarana di puncak bukit anu gampang longsor, urug jeung runtuh. Nya ieu harta karun ngeunaan ajen kapamingpinan,
  13. 13. hubungan antar pamigpin jeung masarakat, antar masarakat jeung ajen pangaweruh anu luhur ajenna anu disimpen satukangeun punden umpak gunung Padang, Bisa jadi ieu jati diri bangsa urang anu beuki ngaleungit di tengah kahirupan urang kiwari. Kitu Lutfi Yondri nutup pedaran ka Mangle ngeunaan gunug Padang. *** (rengse) Citraresmi Wapat di Bubat (Carita Parahiyangan) N askah Carita Parhiyangan salahsahiji naskah Lontar nu digurit dina basa Sunda buhun, disusun dina abad ka 16 Masehi katompernakeun, teu lila sabada runtagna Karajaan Sunda. Ieu naskah bisa dianggap sumber sajarah pangkahotna anu nuduhkeun yen Dewi Citraresmi bener-bener aya tur kungsi kumelendang di alam dunya. Anjeunna teh putri Sunda anu perlaya dina perang Bubat di Majapait. Dewi Citraresmi atawa nu katelah Dyah Pitaloka geus jadi sabiwir hiji sohor ku sajarahna, seungit komara jeung legendana, anjeunna jadi lambag kasatiaan ka kulawargana, iklas bumela ka nagara, pengkuh dina enggoning ngajaga sarta ngajaring martabat sarakanana. Dyah Pitaloka dibabarkeun di lingkungan karaton Surawisesa Kawali (Ciamis) taun 1261 Saka (1339 Masehi), wapat di Bubat Majapahit dinten Salasa ping 13 Paropeteng bulan Bhadrawada taun 1278 Saja meneran 4 September 1357 Masehi. Dewi Citraresmi teh putra Prabu Maharaja Lingabuana ti prameswarina nu jenengan Dewi laralisning, iburamana masih keneh saderek sabrayna, salaki ti Prabu Ajiguna, raja Sunda anu, raja Sunda anu nyangking kalungguhan ti taun 1333 tepi ka taun 1340. Ari Prabu maharaja linggabuana putra prabu Ragamulya I Luhur Prabawa ti prameswrina. Ati Dewi Laralisning putra prabu Arya Kulon, raja wewengkon Sunda (13321350) ti prameswari nu jenenanna Dewi Kiranasari, sani putra Prabu Ajiguna ti Ratna Unakestari. Maharaja linggabuasa jeneng narpati di Karajaan Sunda 7 taun (1350—1357) ngagentos Prabu Ragamulya, ramana anu jeneng narpati 19 taun ri taun 1340- 1350 . Eta tilu Prabu, nyaeta Linggabuana, Ragamulya jeung Ajiguna jeneng narpati keur 2 karajaan, nyaeta Galuh-jeung Karajaan Sunda, anu mashurna Karajaan Sunda. Kusabab kitu, lamun nilik kana kokocoranana bibit buit Dyah Pitaloka teh ti dua kokocoran gumulung jadi hiji, Galuh ti pihak rama, Sunda ti pihak ibu. Prabu Maharaja waktu nyakrawati ngabahudenda di Karajaan Sunda linggihna di kara- ton Surawisesa Kawali nu harita jadi puseur dayeh Karajaan Galuh jeung Puseur pamarentahan sakumna Karajaan Sunda. Ari Raja di wewengkon Galuh Prabu Suryadewata raina Prabu Ragamulya. Puseur pamarentahan samemehn kungsi di Pakuan (ayeuna Bogor). Karajaan galuh jeung Karajaan Sunda ngadegna di Tatar Sunda ku rundayan Raja Tarumanagara sajaman nyaeta abad ka 7. Karajan Sunda perenahna di beulah kulon, Karajaan Galuh beulah wetan, watesna walunga Citarum. Dina hiji mangsa eta dua karajaan teh pada-pda hirup mandiri. Tapi dina mangsa sejen duanana ngahiji deui, pmarentahanana dicangking ku hiji raja, dumeh meu nang hak waris pikeun marentah ti prameswarina atawa ti saderekna. Puseur pamarentaan jaman Dyah Pitaloka teh di Galuh (Ekadjati 2006; 34). Dyah Pitaloka atawa Dewi Citraresmi kagungan dua rai saibu sarama, istri jeung pameget. Raina anu pameget jenenganna Niskala wastukancana anu engkena jeneng raja ngagentos ramana (1371-1475) sabada diselang heula ku pamanna nyaeta Mangkubumi Suradipati (1357-1371), walina, sabab basa ramana wapat, Niskala Wastukancana burey keneh pisan. Ari putra istri jenenganna Ratna Parwati, engken ditikah ku Prabu Surendra Buwanaloka, raja di wewengkon sunda. Tumali jeung musibah Bubat, urang ayeuna ngan kabageamn dongengna wungkul, bisa keneh nyeuseup seungitna tina pangalaman jaman baheula nu nyambuang di Kawali.Klah kumha bae oge kahade, sakumaha beurat na anu kaalaman ku Citraresmi jeung kulawargana tepi ka luas mapag pati kusabab boga keneh ajen diri, Sok sanajan tragedi Bubat jadi kaprihatinan, tapi oge jadi lambang kaperwiraan jeung kasatriaan. Jenengan Prabu Maharaja Linggabuana dileler jujuluk Prabu Wangi sarua jeung rajaraja Sunda sabadana anu gede jasana ka rayat, katelahna Prabu Wangi atawa prabu Siliwangi.*** - Tina buku Badingkut - Elis Suryani NS Manglé 2461 13
  14. 14. M unara Cahaya Kangjeng Rosul Muhammad SAW, Bukti Kaagungan Islam Ku Rudi H. Tarmidzi S anaos ayeuna tos lebet kana tungtung bulan Robi’ul Awwal (mulud), tapi ari héabna mah angger karasa. Seueur kaum muslimin nu masih miéling muludan di sababaraha tempat. Seratan di handap ieu, mudah-mudahan janten bekel keur ngandelan kana intirasi miéling dibabarkeunana jungjunan urang Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Islam téh linuhung, Islam téh agung, Islam téh mulya. Dawuhan Alloh Swt. “Alloh Dzat nu geus ngutus Rasul-Na bari nyandak pituduh jeung Agama nu bener pikeun kaunggulan ka sakumna agama-agama nu aya, sanajan jalmajalma musyrik teu saruka.” (QS. Ash Shaff: 9). Kitu deui Islam nu unggul, Islam nu mulya téh lain keur sasaha, tapi keur bekel hirup jalma di dunya. Ngan hanjakal, jalma-jalma dina buktina mah, loba kénéh nu teu kabita ku mulyana Islam. Boh tukang macul di kampung, tukang dagang di pasar, para pajabat di pamaréntahan, para doktor di fakultas, apan loba kénéh wargi-wargi urang nu teu kabita ku agungna agama Islam. Upama loba umat geus nu teu kabita ku agama Islam, mangka bakal sakeudeung deui maranéhna curiga ku agama Islam. Lamun geus curiga ku agama Islam, mangka sakeudeung deui bakal ngéwa kana agama Islam. Tah, kaayaan kiwari bisa disebutkeun kitu. Lantaran, nu hoyong disebut umat Islam sorangan, apan loba kénéh nu lampahna patojaiyah jeung ajaran Islam. Islam ngajarkeun solat sangkan mulya, tapi dirina teu kabita ku solat. Islam ngajarkeun zakat, buktina mah loba kénéh nu teu kabita ku zakat. Islam ngajarkeun jujur, tapi geuning loba 14 Manglé 2461 kénéh nu teu kabita ku jujur. Éta sadayana, lantaran umat Islam sorangan teu kabitaeun kana agamana sorangan. Naudzubillahimin dzalik. Ayeuna kantun patarosanana. Pangajian dimana-mana, dina tipi, dina radio, di saban tempat, tapi naha jiga nu teu aya tapakna? Naha loba kénéh umat nu tisolédat? Naha umat loba kénéh nu teu kabita kana ajaran agama Islam? Enya, teu bisa disumputkeun, da mémang kitu buktina. Bukti apanan, boroboro urang babari ngajak umat deungeun sina asup kana agama Islam, dalah ngajak kana bener ka umat Islam sorangan ogé apan kiwari mah hararésé. Boro-boro ngajak ka batur, apan ka putra urang sorangan ogé sakitu hararéséna. Kitu deui boro-boro ngajak kana urusan nu patali jeung agama, apan ngajak kana widang sosial ogé geus hararésé. Tah, pasualan-pasualan kitu, tangtu urang uihkeun deui kana diri pribadi séwang-séwangan. Naha urang bet hararésé ngajak jeung hararése nyarek, sedengkeun ari jungjungan urang Rosul Muhammad SAW, bet gampang ngajak jeung babari nyarék? Kanggo waleranana, hayu urang talaah kana surat Al-Ahzab ayat 45-46 nu unina kieu: Nu pihartoseunana : Hé... Nabi, saéstuna Kami geus ngutus anjeun téh jadi saksi, méré béja nu ngagumbirakeun jeung méré panyarék. Jeung nu ngagero kana agama Alloh kalawan ijinNa sarta keur jadi cahya nu kacida béngrasna. Sakumaha dawuhan di luhur, mangga urang talaah, urang talungtik. Saur Alloh, hé... Nabi, anjeun di utus téh lain keur naon-naon. Lain keur bagadang, lain keur purah-purah, lain dunya keur ulin, lain keur léha-léha, tapi anjeun di utus téh teu aya deui iwal jadi ‘saahidan’, jadi saksi. Saksi tina naon? Nyaéta saksi tina agungna agama Islam. Lantaran loba umat nu can apal kana agungna agama Islam. Naon ari saksi téh? Saksi téh nyaéta bukti. Hakim teu bisa méré hukumana ka hiji jalma upama teu aya saksi. Lantaran saksi téh bukti oténtik nu kacida pantingna. Tah, Kangjeng Rosul téh bukti. Naha bet saksi? Keur naon ari saksi téh? Nyaéta keur ngabuktikeun perkara nu teu katempo. Contona waé, upama aya hiji bangsat katéwak ku hansip, terus diadili ku pa RW, tangtu nu pangheulana ditanyakeun téh, mana buktina. Salila teu aya buktina, Pa RW bakal hésé ngahukuman éta bangsa nu dicuriga. Keur bingung kitu, jol wé aya ronda datang ti imah nu kabangsatan, bari mawa KTP bogana nu dicuriga éta bangsat. Terus ngobrol ka Pa RW. Pa RW éta téh bangsat. Ieu buktina. Sidik kapanggih aya KTP bogana éta jalma. Tah, éta ronda téh bisa disebut ‘sahidan’ saksi téa. Tah, Kangjeng Rosul ogé diutus téh jadi saksi, jadi bukti ka nu teu apal agungna agama Islam. Ayeuna aya patarosan deui, naha ku naon Rosul méré saksi méré bukti kana
  15. 15. kamulyaan Islam? Jawabanana ogé aya dua. Nu dua téh lain ku basa Inggris jeung Arab, lain ku basa Francis jeung basa Sunda. Tapi nu dua téh, nyaéta témbongkeun saksi anjeun ku dua basa, nyaéta ku basa pagawéan jeung ku basa lisan. Ku basa pagawéan disebutna conto jeung ku basa lisan disebutna pidato. Margi kitu, sakumaha patarosan tadi di luhur; naon sababna Kangjeng Rosul salila 23 taun mémérés umat téh bisa bérés roés, gampang nitah babari nyarék? Jawabanana témbrés, lantaran Rosul mah ngalarapkeunana ku conto jeung ku pidato. Kumaha ari urang? Sidik, urang mah apan hésé méré conto. Sedengkeun da’wah conto téh apan nu panghadéna. Tapi lain hartina nu pidato teu hadé, tapi ku méré conto leuwih hadé tinimbang ku pidato. Kangjeng Rosul Nyontoan Heula Saréngséna surat Al-Ahzab lungsur, Kangjeng Rosul ngumpulkeun para sohabat. ‘Ana awwalu wajibu ’ala ma amarotukum bihi’. Upama dibasakeun mah, hé para sohabat, ulah mangmang ulah ringrang, ulah ngarasa leutik haté. Naon nu diparéntahkeun ku Gusti Alloh, éstuning teu matak beurat, lantaran kawula bakal ti heula keur ngalaksanakeunana. Méméh anjeun ngalaksanakeun prak-prakan ibadah, tangtu kawula nu bakal pangheulana méré nyontoan ngalaksanakeunana. Tah kitu, Kangjeng Rosul mah. Pamingpin téh lain wani saukur nitah, lain wani saukur pidato, tapi méméh batur ngalaksanakeun, dirina sorangan nu kudu biasa ngalaksanakeun. Contona waé, waktos Kangjeng Rosul maréntahkeun kana sunahna solat Tahajud, apan méméh nitah ka para sobahat téh, kangjeng Rosul mah tos ti heula pisan. Palebah dieu, singhoréng bisa kaharti, yén Kangjeng Rosul téh saksi. Saksi keur nganteurkeun, keur némbongkeun mulyana agama Islam. Seueur deui hikayat Rosul nu sawadina méré conto ti heula, boh dina urusan ibadah, boh dina urusan akhwalussyahsiah- rumah tangga. Sanggeus Kangjeng Rosul masihan conto, saterasna ku pidato. Ari pidato kangjeng Rosul apan sakitu mulyana. Bujeng-bujeng manusa, dalah sasatoan kayaning oray jeung manuk-manuk ogé ngadadak cicing, lantaran agungna hikmah nu didugikeun ku Kangjeng Rosul. Patarosan salajengna. Naha ari Rosul babari pisan méré conto, ari urang hararésé méré conto? Jawabana ogé aya dua. Lantaran, anu kahiji kaimanan jeung kaislaman dina diri urang tara digemuk jeung tara dipager. Maksud digemuk téh nyaéta ku rupa-rupa ibadah jeung amal soléh. Saperti pepelakan, upama teu digemuk, apan dina jadina ogé moal matak nyugemakeun. Tah, urang gé sarua. Upama kaimanan jeung kaislaman urang teu digemuk, mangka nu aya bakal hésé jadi conto. Islam nganjurkeun sangkan diri téh kudu digemuk ku sodakoh, tapi geuning urang mah kalah sieun. Sieun masakat sieun malarat. Diri sangkan digemuk ku solat, apan urang mah kalah horéam. Sieun ngaganggu pagawéan. Diri sangkan hadé ka sasama, apan urang mah, haroréam. Kitu polah diri urang nu kurang gemuk téh. Ari nu kadua, lantaran kaislaman jeung kaimanan urang tara dipageran. Dipageran ku naon? Nyaéta ku élmu. Tah élmu téh pager. Pager keur ngajaga kaayaan urang. Contona wae, upama tatangkalan geus digemuk, tapi teu dipager, mangka tatangkalan ogé bakal kaancam ku sato galak jeung sajabana. Kitu deui dina kaislaman jeung kaimanan urang, salawasna kudu dipager, sangkan teu kaganggu ku panyakit atawa ku pangaruh nu matak nyasarkeun. Margi kitu, bisa kaharti, naon pangna kaislaman urang uduh pisan. Singhoréng, urang mah hésé ngalakukeun atawa méré conto. Komo deui, haté urang mah tara digemuk jeung teu boga pager anu kuat. Pangna kitu, teu aya deui cara, hayu urang baralik deui kana papagon Islam sakumaha nu dicontokeun ku Kangjeng Rosul Muhammad SAW. Béja Gumbira Tugas anu kadua, nyaéta mubasiron, tegesna méré béja gumbira. Alloh ngutus Rosul sangkan méré béja pikeun jalma-jalma anu pengkuh kana agama. Di dunya bakal bagja di hérat bakal salamet. Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, tiasa dijelaskeun, yén saha jalma nu iman jeung takwa, mangka Alloh bakal méré kabagjaan nu teu kapalang, nyaéta mangrupa barokah nu diturunkeun ti langit jeung ti bumi. Tah, ieu pangbubungah téh keur jalma-jalma anu ariman jeung anu tarakwa. Lantaran bakal béda, jalma nu kagolongkeun hamba iman jeung hamba syaetan. Hamba nu iman, wawalesna sawarga. Sabalikna hamba syaetan, wawalesna naraka. Margi kitu, béda lampah jeung kaimanan di dunya, pasti bakal balitunganan di alam jaga. Katilu, méré panyarék. Jalma di alam ruh téh sarua, baroga poténsi fitrah anu hadé tur iman. Alastu birobbikum? cek kabéh ruh, ‘Bala sahidna’. Kitu, kaasup sabejad Fir’aun jeung Abu Jahal, nu sarua baroga fitrah iman. Tapi barang borojol ka alam dunya mah béda-béda. Tah, Rosul téh keur nyarék sangkan ulah nurut kana léngkah syaetan. Lantaran polah nu kitu téh bakal rugi. Kaopat, ngagero kana agama Alloh Swt. Ieu kacida beuratna. Seueur kajadian nu tumiba ka Rosul nalika dakwah. Jalmajalma kafir geus biasa sok malédogan Kangjeng Rosul ku kokotor onta. Tapi, ku ahlak Rosul anu mulya, nu tadina ngahina, ahirna seueur nu asup Islam. Lantaran Kangjeng Rosul geus méré bukti kana mulyana agama Islam. Nu kalima, cahya anu kacida béngrasna. Kacutat ahlak nabi; siddik, fatonah, amanah jeung tablég. Éta sadayana cahya nu teu aya babandinganana. Sanajan Kangjeng Nabi Muhammad SAW mah Rosululloh, tapi angger risalahna mah henteu keur Rosul wungkul. Ku kituna, salaku umat Islam urang wajib apal tur ngalampahkeun agungna Islam, sakumaha al-Qur’an sareng hadits keur pituduh umatna nepi ka ahir jaman. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi-jalmi nu kiat kanggo masihan conto mulyana agama Islam. Amin. *** Manglé 2461 15
  16. 16. DI KIWARI MACA BIHARI (31) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA Péso Gurka H ADÉ niatna mah. Mapaés kota ku ornamén nu aya patalina jeung sajarah. Paniatan awal mah nyaangan jalan di kota, malar ulah medem teuing. Enya, dina raraga ngalaksanakeun proyék Penerangan Jalan Umum, PJU.Sangkan teu sarua jeung kotakota lianna, nu ngan “saukur” masang lampu dina saban tihang listrik, di Bogor mah PJU téh didangdanan, diwadahan ku kujang. Atuh ayeuna téh iwal ti caang, di Bogor mah réa kujang sisi jalan nu ngawadahan PJU téa. Niat pamaréntah kota téh tangtu wé sangkan kotana artistik, berbudaya. Komo apan kota Bogor mah aya catetan sajarahna, kawilang deuheus jeung Pakuan Pajajaran. Piraku wé henteu aya tapak-tapakna onaman. Éta kawasna nu jadi tinimbangan pemkot Bogor téh pangna nyieunan kujang baradag sapanjang jalan pikeun ngawadahan PJU téa. Ana geus jadi, bet henteu pada nyambat. Réa warga kota nu teu aratoheun di kotana réa kujang téh. Nu henteu ngarasa reueus di kota Bogor réa kujang téh nyaéta ti kalangan seniman budayawan. Para seniman budayawan Bogor nganaha-naha naon sababna pemkot bet nyieun ornamén samodél kitu. Éta ornamén téh teu merenah pikeun disebut kujang. Kujang mah da lain kitu, cék seniman budayawan Bogor méh rampak. Kujang mah lain ngan sakadar aya eluk jeung aya liangan dina tonggongna wungkul, cék seniman budayawan Bogor téh deuih. Ornamén nu disebut kujang ku 16 Manglé 2461 pémkot kalah pada nyarebut péso gurka. Anu modélna kitu mah lain kujang atuh, cék salah saurang budayawan Bogor, tapi péso gurka, péso nu dipaké nandasa kaom pribumi. Piraku nu kitu dijieun papaés kota. Para seniman budayawan Bogor téa hanjelu pédah basa pémkot ngararancang rék mapaés kota ku kujang téh teu kungsi pisan ngajak badami. Éstu digugulung ku pemkot wungkul. Padahal, cék sawatara budayawan Bogor, matak naon atuh ngajak badami heula. Ménta heula pamanggih ku para seniman budayawan Bogor. Ulah digugulung ku aparat pemkot wungkul. Hadéna pisan mah ornamén kujang pikeun ngawadahan PJU téh disaémbarakeun. Ditangtukeun saha jurina nu ngawakilan seniman budayawan jeung saha nu ngawakilan aparat pemkot. Ku disaémbarakeun téh sakumna warga kota,kaasup seniman budayawan téa, bakal ngarasa miboga. Copélna bakal ngarasa boga andil mapaés kota. Ari sagala ditangtukeun ku aparat pémkot bari henteu ngalibetkeun warga kota mah aya bahan teu ditarima ku balaréa. Da teu luyu jeung angen-angen. Tina kajadian di Bogor téa urang beuki yakin kana benerna babasan “hadé ku omong goréng ku omong” téh. Pangna kujang jieunan pémkot Bogor diprotés ku seniman budayawan di éta kota téh ku lantaran para seniman budayawanna ngarasa teu dibabawa.Lain ukur teu dibabawa, dalah diajak badami gé henteu. Cacak diajak badami, diajak ngariung, dipénta kamandangna heula, tinangtu moal aya kajadian samodél kitu. Moal aya kujang nu cek seniman budayawan Bogor modélna jiga péso gurka. Tétéla geus lain jamanna deui pamaréntah mawa karep sorangan téh. Kalah kumaha waé ogé warga kota téh hayang diajak badami. Hayang milu mikiran ngabébérés kotana. Cenah rahayat téh geus ngabogaan wakilna, nyaéta DPRD, da teu ngarasa cukup ukur ku kitu. Eukeur mah eukeur nu disebut DPRD téh apan teu némbongkeun ketak ngawakilan jeung merjoangkeun kapentingan rahayat. Para anggota DPRD téh ukur mentingkeun dirina sorangan. Beuki dieu beuki katangén yén DPRD téh lain répréséntasi rahayat. Réa pisan para anggota déwan anu teu sieun adu hareupan jeung rahayat. Atuh kumaha bisana rahayat ngedalkeun kereteg angen-angenna ka anggota déwan nu teu wani nyanghareupan rahayat. Tug padahal sawala téh kacida pisan pentingna. Sawala antara rahayat jeung para anggota déwan nu remen disarebut wakil rayat téa. Sawala antara rahayat jeungpamaréntah enggoning ngaréngsékeun pasualan-pasualan nu di sanghareupan téa. Cacak upama perkara kujang anu dianggap badis péso gurka téa disawalakeun heula, ngajak badami ka para seniman budayawan Bogor, pasti moal aya kajadian samodél kitu. Ngan nya kitu, pemkot Bogor mah meureun geus poho kana pentingna babasan “hadé ku omong goréng ku omong”teh.***
  17. 17. C arita Pondok kalieun awak uing. Tikoro karasa garing. Késang ngucur. Ngadégdég kana keteg Jajantung nu beuki ratug. Haté tawigur. Pikiran ngacacang moréjengga antara sieun jeung kahayang. Ras inget si Bapa nu keur gering parna. Ras deui inget ka si Icih nu hayangeun dikawin geura-geura. Kudu kumaha deui atuh Boim téh Bapa? Icih? Geus kagok. Akang geus kagok di dieu. Tinggal sababaraha léngkah deui. Baé da teu hésé Icih. Tugas Akang mah ngan ukur ngadagoan. Bari ngajaga kaayaan sakuriling ieu imah. Enya icih, leres kitu. Bisi aya nu ngaliwat. Bisi aya nu nempoeun. Komo satpam mah Icih. Ulah aya. Ulah nyahoeun. Tah Icih gé meunang tugas ti Akang. Tugas Icih mah ngado’a jeung sing sabar wé. Do’akeun Akang méh hasil. Méh salamet. Urang kawin Icih. Urang kawin mun téa ieu hasil mah. Kapan éta nu ku Icih pikahayang téh, lin? Matakna sabar nya Icih! Dagoan akang. Do’akeun. Bapa. Sing kuat! Uing kedap deui nebus landongna, Pa. Mugia engké énggal damang ari tos dilandong mah. Aamiin. Ari jagjag mah Bapa tiasa maturan Uing ka KUA mun téa Uing jadi ka si Icih. Badé saha atuh mun lain Carpon Rizky Prasasti Anwari Ngudag ka Naraka *) BOIM, 21 TAUN. PENGAMEN “Poék..peuting beuki poékkk …peteng.. mongkléng.. langit beuki mongklénggg.. Bulan… musnaaa!! Manusa.. tibraaaa!! Béntaaaang.. Nyumput dina mega.. Rondaaaa..Peré ngajaga..” 18 Manglé 2461 Tah kitu, jampé-jampéna mah. Inget kénéh. Da enya atuh. Kapan uing gé aya, basa harita Adang ngadadarkeun rencanana ka Bani. Bani tatangga Adang. Manéhna geus ahli deui dina widang maling. Cék Bani kudu maca jampé éta heula méméh maling téh supaya aman. Tuh tingali, Bani gé hasil waé. Radio, DVD, HP tug nepi ka TV LCD gé kararad ku Bani. Tah mun rék maling mah di dinya weh, di komplek peuntas. Cék Bani di dinya mah babari. Satpamna aki-aki nu sakapeung tara ngaronda. *** Liwat lima menit uing di dieu. Nangtung gigireun témbok nu jangkungna dua Bapa nu maturan? Ema tos teu aya dikieuna. Ari Uing pan anak hiji-hijina. Sing kuat nya, Pa. Antosan. “Maaaliiinnggggg…Maliiiinnggg…” Eta gorowok bijilna ti imah éta pisan. Reuwas kacida. Si Icih, si Bapa laleungit. Kagareuwahkeun ku nu
  18. 18. ngagorowok. Teu eureun-eureun. Hégak napas mirig ketug jajantung, ngabaruntakkeun pangeusi dada. Leuleus Icih. Awak laleuleus. Lol si Adang di béh juru tembok. Uing nyampeurkeun, mantuan turun. “Buru Dang! Buru!” sora jeung awak uing sarwa ngeleter. Si Adang nincak tatak uing. Jleng wé. “Bukkk!” Adang ngababuk puhu ceuli. Les poék. Peuting beuki poék. Langit beuki mongkléng. Uing ngagoler. “Ieu.. katewakkk.. Malingna katewakkk..” gorowok Adang dituturkeun ku sora léngkah-léngkah jalma luhureun hulu. Beuki lila beuki riab. “Siksa wé siksa tuman lah!” “Taranjangan!” “Talian, tah talian!” “Podaran sakalian! Duruk wé duruk!” Sora jalma sakomplék teu eureun meupeus peuting. Sababaraha jalma najongan, ngaleyekan. Dihudangkeun, dijenggut. Diteunggeulan. Dihudangkeun, dikekenyang. Diteunggeulan deui. Nu séjénna nénggoran batu kana sirah. Kana angen. Nyeri Icih. Nyeri. Jalma beuki lila beuki loba. Uing teu walakaya. Biwir hésé nyarita. “Bukkk!!!” Poék. Jol Si Bapa ngaheruk. “Bukkkk!!!” Mongkléng. Jol Icih ngagukguk. “Bukk.. bukkk..!!” Dunya sarwa hideung. *) ADANG, 23 TAUN. DAGANG ASONGAN Uing ngaléngkah teu leumpang. Kebat teu keupat. Muru si Boim nu keur dikakaya ku warga. Beungeut si Boim ngagurilap. Getih nu mulas beungeutna mencarkeun cahya bulan purnama. Dina pipina narapel keusik jeung karikil. Bajuna leupas, Saroéh. Si boim ngalempréh. “Hampura Im. Hampura..” cék Uing bari leos. Sora-sora éta teu eureun tinggorowok. Duruk! Paéhan! Taranjangan! Nu séjén beuki maceuh. Nu ukur lalajo milu riweuh. Ibu-ibu narutupan biwir. Barudak narutupan panon. *** Geus liwat ti saminggu, Uing nyerahkeun diri ka kantor pulisi. Uing teu kuat dikukuntit ku rasa salah. Almarhum si Boim, maot disiksa warga alatan kalakuan uing. Uing ngaku yén uing nu maling harita, lain si Boim. Si Boim mah ngan ukur pipilueun. Uing nu mawa, Uing ngajak. Milu gé alatan hayoh diolo. Uing gé nyaho si Boim butuheun duit gedé. Keur meuli ubar Bapana. Na rék meunang ti mana atuh Im? Bati ngamén mah teu sapira. Moal kabeuli kana ubar-ubar acan. Katambah si Icih kapan hayangeun dikawin lin? Rék néang gawé di mana? Ijazah gé kapan teu boga. Boro-boro baheula uing jeung manéhna bisa sakola. Dahar gé sakapeung biheung manggih. Enya. Sakola mana nu daék narima uing jeung manéhna harita. Nya saha jalmana nu rék haat nanggung biayana? Kapala Désa? Walikota? Bupati? Presiden? Tai ucing lah. Manéhna kungsi nolak harita, tapi uing keukeuh mamaksa. Pamajikan uing si Tina rék ngajuru. Kapan biaya ngajuru téh teu murah. Rumahsakit mana nu daékeun garatis? Kapan si Boim gé nyahoeun, bapana teu bisa asup rumahsakit lantaran jalma teu boga. Naha enya Boim téga kitu ningali pamajikan uing ngajuru di imah? Nya saha atuh nu rék mantuan ngajuruna? Leuheung mun bisa. Mun teu kaluar-kaluar kumaha? Mun pendarahan kumaha? Mun pamajikan uing maot kumaha? Orok uing maot kumaha? Antukna si Boim daékeun. Puguh atuh. Sobat ti leuleutik. Moal enya ari teu daékeun mantuan mah. Sugan téa ku nyerahkeun diri ka pulisi téh bakal tingtrim. Da henteu atuh. Pasualan teu eureun semet dieu. Dina sidang, uing ngan meunang vonis hukuman panjara opat taun. Teu sarua jeung nu dipakahayang. Uing sababaraha kali ménta hukum mati . Tapi hakim teu mikeun waé. Da enya atuh, hirup gé taya gunana. Ayeuna sakabéh nu di lembur pasti rujiteun ka uing. Si Bapa, si Icih, komo si Tina mah. Ka mana atuh engké uing mun geus bebas ti panjara? Saban peuting uing teu bisa saré. Bijil si Boim. Si Bapa. Si Icih. Si Tina. Rumahsakit. Sakola jeung biaya. Gusti.. naha uing bet kieu lalakonna? *** Opat taun nu ngembat jeung karasa beurat geus liwat. Uing Tobat. Uing rajin Solat. Tapi ieu lain rék nyaritakeun lalakon uing. Heueuh. Si Bapa. Bapana si Boim. Sanggeus kaluar ti panjara, Uing manggih kahirupan nu anyar. Purah jaga masigit. Si Tina? Pamajikan? Teuing di mana. Panungtungan panggih téh pas uing dipanjara wé, manéhna datang mawa orok uing jeung salakina nu anyar. Keun baé! Uing jadi purah ngajagaan masigit. Tapi geuning hirup séhat nu teu karasa ni’mat. Saban poé; saban isuk, saban soré, saban peuting uing ditutur-tutur ku bapana si Boim. Ka mana baé. Ti masigit ka kebon. Ti kebon ka pasar. Bapa si Boim aya. Najan rada anggang. Béh ditu tuh. Peuntaseun Uing. Teu, teu daék kukumaha. Ukur nangtung bari mencrong ka Uing. Panonna beureum, hurung. Enya, Uing nyaho. Manéhna kanyenyerian. Puguh atuh, budak sasiki-sikina maot alatan uing. Uing hayang ménta pangampura. Tapi rék kumaha? Manéhna siga nu embungeun nyarita. Unggal rék disampeurkeun, manéhna leos, duka ka mana. Kitu jeung kitu saban poé. Nepi ka peu- ting ieu. Uing di dieu. Di sisi jandéla. Bapana si Boim di ditu. Katempo tina jandéla, Di hareupeun masigit. Mun kieu waé mah, Uing moal tingtrim. Uing kudu nganggeuskeun ieu lalakon. Uing teu kuat. Teu kuat tuluytuluyan diuudag ku rasa salah. Tuluy diuudag ku bapana si Boim. Enya. Mending paéh. Eta sigana kahayang bapa si Boim téh. Uing Paéh! Moal heueuh atuh ari uing paéh mah manéhna nunutur kénéh waé mah. Kapan punah mun uing paéh gé. Tapi.. kumaha mun manéhna engké paéh? Atuh panggih deui di sawarga téh. Jaba meureum moal aya manéhna wungkul, si Boim, almarhum. Lah! Angger moal tingtrim hirup uing. Leng. Nempo kaluar tina jandéla. Jentul deui. Uing kudu ka naraka! Kapan enya, saha nu hayang ka naraka? Euweuh! Kabéh gé paheula-heula hayang ka sawarga. Kitu deui bapana si Boim. Hayangeun ka sawarga moal henteu. Rét ka jandéla. Bapa si Boim masih kénéh ngabedega. Uing neueulkeun tungtung péso ka beheung sorangan. Bapa si Boim katingali gogodeg. “Sreeeeet!” Uing mesét beheung sorangan. Tingbelesat beungeut si Tina seuri. Si Boim seuri. Si Icih seuri. “Puas Pa? Puas? Yeuh saksian Uing paéh. Ieu nu ku Bapa dipikahayang téh lin? Punah Pa, Punah. Geus tong nunutur waé. Hampura uing, Pa! hampura..” Cék Haji Asép, nu pasti ka naraka jeung moal ditarima di sawarga mah nyaéta jalma nu bunuh diri. Saméméh dunya poék mongkléng. Uing nempo Bapa Boim milu mesét beuheungna sorangan bari tuluy seuri. Reup Poék.**** *) Rizky Prasasti Anwari Mahasiswa UPI Bandung Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Manglé 2461 19
  19. 19. C arita Pondok Kembang Hui Carpon Yus R. Ismail ngaleungitkeun hanaang jeung rénghap anu ngahégak. Reureuh di Tanjakan Panjang saenyana genah. Legana jalan Tanjakan Panjang kaasup rubak keur ukuran jalan kampung, méh opat méter. Tilu taun kaliwat, basa harénghéng pemilihan bupati, sapanjang Tanjakan Panjang diaspal. Sisi beulah katuhu diwatesan ku tatangkalan galedé. Dapuran awi, séngon, surian, alpuket, di punclutna aya tangkal bungur nu ngarunggunuk ngabedega lir danawa. Urang kampung di sabudeureun Tanjakan Panjang nyieun bangku-bangku pangreureuhan tina awi. Sisi béh kénca mah pakebonan. Hui jeung sampeu ditumpangsarikeun. Di kampung kuring hui taya usumna, da unggal waktu pakebonan téh dipelakan hui. Enya ogé halodo entak-entakan, hih da kajeun masang paralon ti sirah cai di gunung. T empat nu kajojo di kampung kuring nyaéta Tanjakan Panjang. Jalan sapanjang méh sakilo méter téh netek, henteu diselang ku datar saeutik ogé. Tong boro anu badarat, dalah rombongan sepéda-gunung anu biasana Saptu-Minggu ngajajal kamampuhna, tara aya anu kuateun bangblas. Pasti waé diselang ku reureuh sababaraha menit mah. Maranéhna murak bebekelanana, atawa sakadar nginum 20 Manglé 2461
  20. 20. Kampung kuring, Ciwening, aya di tutugan gunung Bésér. Hujan méh turun saban waktu. Enya ogé halodo entak-entakan, sababaraha poé mah sok aya girimis. Lantaran kitu meureun Ciwening téh karasana jadi kampung anu ngungun. Isuk-isuk pepedut nyaput pakebonan, nyéos panonpoé anu kakara karasa haneut dina kulit karijut katirisan. Pasosoré panonpoé gancang surup sanggeus tunggang gunung. Enya, lamun girimis mépés poé, rasa ngungun téh lir anu napel dina pameunteu Ciwening. Ah, meureun saukur pangrasa kuring wungkul. Rarasaan kuring basa hiji isuk ngaliwat ka Tanjakan Panjang, dianteur ku bapa. Kuring ngagandong rangsel jeung ngajingjing kantong plastik, bapa munggu karung eusi hui. Bapa nganteur kuring ka sisi jalan raya, megat mobil anu ka stasion karéta api, karéta api anu bakal mawa kuring ka Bandung. Di tempat pangreureureuhan kuring eureun. Lain, lain capé, da biasana ogé ari turun mah tara reureuh. Tapi lantaran patani geus nyarampak di pakebonan. Puguh areuy hui geus waktuna dibalikeun. Kembang hui cul-cel warna wungu, matak waas. Barudak satepak lalumpatan basa nempo kuring. “Téh Nining, badé ka mana, Téh?” cenah rada cadél, pating gorowok. “Ilaha uihna? Nyandak oléh-oléh, nya? Buku dongéng deui nya, dongéng anu lamé.” Kuring unggeuk. Barudak téh nyalampeurkeun, harayang ditangkeup kabéh. “Mugia hasil, Néng. Ibi mah mung tiasa ngadoa,” ceuk Bi Inem ngawakilan anu séjén. Bi Karti, Ceu Mumun, Kang Rukman, Mang Êma, unggeuk basa kuring sasalaman amitan. Saréréa ogé ngabaretem, semu anu bareurateun keur ngomong. Sarua jeung kuring. Lamun pok téh sieun lain girimis anu turun, tapi cimata anu henteu katadah. Harita kuring ninggalkeun Ciwening anu haleungheum, lir haleungheumna haté kuring. Ngan kembang hui, kembang hui warna wungu, anu cul-cel saampar pakebonan, anu ngabeberah haté. Enya, hégar téh, sumanget téh, éndah téh, masih aya, narapel dina kembang hui. *** Tutugan gunung Bésér lir anu disupata ku alam anu éndah. Sirah cai patingburial di ditu di dieu. Pancuran curcor, caina ngagenclang hérang. Ngaran gunung Bésér ogé apan lantaran éta. Subur ku cinyusu. Hawana seger. Alam éndah matak betah anu natamu. Keur leutik kuring ngarasa alam éndah téh berekah. Ulin di Ciwening asa taya bosenna. Moro manuk puyuh, sosorodotan maké upih jambé, papanganténan anu panganténna dirias ku untunan kembang hui jeung kembang jukut, ngojay di wahangan anu enya ogé leutik caina hérang ngagenclang, nguseup beunteur atawa nyair hurang, jeung loba deui kaulinan séjénna. Tapi sabada sakola di kota, salila genep taun, SMP nepi ka SMK, kuring ngarasa kaéndahan jeung suburna gunung Bésér téh supata. Kebon hui, sampeu, jukut gagajahan, enya masih lega. Tapi rarasaan téh suku henteu bébas ngaléngkah, henteu bébas cara keur budak. Ka ditu-ka dieu asa beuki réa tanah-tanah anu dipatok, dipager kawat atawa ditémbok. Tanah-tanah éta téh geus dibeuli ku urang Jakarta, Bandung, atawa kota séjénna. Tanah anu baheula mah hargana ngan tilu ratus rébu sabatana, dina waktu genep taun jadi dua juta sabatana. Loba patani anu tadina pepelakan di tanah sorangan, terusna mah jadi purah melak wungkul. Duit ladang jujual- anana dipaké ngongkosan budak-incu gawé ka kota atawa ka mancanagara. Ku urang kota, tanah anu geus dibeuli téa aya anu dijieun tempat wisata; penginapan, outbond, playing fox, kolam renang, pemancingan. Tanah anu aya sirah cai gedé dijieun perusahaan air-mineral. Sababaraha urang lembur jaradi pagawé di tempat wisata jeung perusahaan airmineral téa, pangpangna barudak. Tapi karéréanana mah, sanggeus lulus SD téh, barudak terus ka kebon ngabantuan kolot-kolotna. Bosen pepelakan, terus naréang gawé ka kota atawa ka mancanagara. Keur ongkos ka kota jeung ka mancanagara éta lolobana tanah dijual. Kuring budak Ciwening anu kagunturan milik bisa sakola nepi ka SMK. Ceuk kuring, supata téh mimitina tina kabodoan. Matakna sanggeus mulang deui ka Ciwening, kuring ngadegkeun sakola Taman Kanak-kanak, ngajar maca-nulis patani anu buta huruf, ngumpulkeun ibu-ibu pikeun diajar nyieun kiripik, keremes, dodol, jeung ngawadahanana anu leuwih beresih jeung rapih, pikeun ngamangpaatkeun sésa kebon anu salila ieu loba kapiceun. Kuring biasa lar-sup ka kantor désa, instansi pamaréntah di kabupatén, kantor LSM, atawa ngamangpaatkeun rombongan mahasiswa anu keur kerja lapangan. Tangtu waé kuring henteu sosoranganan. Babaturan di Ciwening, pangpangna anu sakolana rada luhur, ngarojong kana gawé kuring. Utamana mah pangrojong ti Kang Dadang, ketua Karang Taruna, anu sakolana bisa nepi ka perguruan tinggi, anu ti keur kuring di SMK kénéh jadi bébéné haté pangbeberah manah. Kang Dadang téh putrana kepala désa manten. Kebonna lega, sawahna lega, balongna réa, pabrik héler waé di sababaraha tempat. Rarasaan mah asa henteu kungsi capé matéakeun pangabisa ngabantu urang Ciwening sangkan hirupna leuwih hurip. Resep jeung bagja waé anu aya. Komo basa hiji peuting, bada Magrib, kulawarga Kang Dadang namu ka imah, ngalamar kuring. Bapa, ema, amang, uwa, dulur-dulur anu séjén jeung tatangga mani nararangkeup ka kuring, ngilu bagja jeung gumbira. Tapi acan ogé sabulan sabada ngalamar, kulawargana Kang Dadang ngutus tatanggana pikeun ngabolaykeun tunangan. Apa, ema, amang, uwa, dulur-dulur anu séjén jeung tatangga anu geus tatahar pikeun hajat, tangtu waé hanjelu. Komo kuring anu boga lalakonna. Utusan kulawarga Kang Dadang henteu ngadadarkeun naon alesanana bet megatkeun simpay papacangan. Dua minggu ti harita Kang Dadang diwisuda, saminggu tas diwisuda aya béja Kang Dadang tunangan jeung budak pengusaha air mineral. Cenah ceuk gosip, kolotna Kang Dadang ka sasaha nyarita; kitu pantesna, anu beunghar mah ngajodona kudu ka anu beunghar deui. Sedeng kuring apan sakieu kaayaanana, sakola nepi ka SMK ogé maksakeun bakat ku hayang. Cenah ogé, bulan hareup pengusaha air mineral téh rék hajat gegedéan, tatanggapanana ogé sagala aya, ngawinkeun budakna ka Kang Dadang. Kitu mimitina, nepi ka hiji peuting kuring nyuuh dina lahunan ema, bari pok nepikeun niat anu henteu kabayangkeun saméméhna. “Nining hoyong daptar TKI, Ma, ka luar negri. Sapertos Téh Isoh, Téh Marni, Téh Dédéh, Kang Darman,” ceuk kuring. Ema, ogé Apa anu N yambung ka kaca 38 Manglé 2461 21
  21. 21. C arita Pondok S MS ti lembur. Dulur ngabejaan, Hayati maot tadi subuh. Hate ngaleketey. Lalaunan ngucapkeun istirja “Innalillahi wa inna ilaihi roji’un”.Dituluykeun ku ngadu’akeun sangkan almarhumah ditarima iman,Islam jeung amal solehna,dihampura dosa-dosana. Allohumaghfirlaha warhamha wa afihu wa’fuanha wa akrim nuzulaha. Meneran keur hujan ngaririncik Hayati maot teh.Hujan pabaru. Kawas nu ngahirupkeun manginget ka mangsa lima puluh lima taun ka tukang. Pan mimiti boga rasa sejen ka Hayati teh, harita keur usum hujan pabaru. Geus lawas kabina-bina. Tapi bet ngadadak asa cikeneh pisan. Keur budak mah, usum hujan teuing ku resep. Lantaran sagala tutuwuhan jaradi sorangan. Pangpangna suung. Lamun peuting kamari hujan, isukna henteu, heg rabeng siraru. Ĕta pertanda suung bakal ngaleuya di kebon, di pipir imah, atawa di mana baé nu sakira nyangkewok rada hieum. Patempatan nu pikabetaheun rinyuh. Sabab cenah, ceuk dongéng, suung, siraru jeung rinyuh teh masih kénéh sakaruhun. Siraru bijil tina sayang rinyuh. Suung jadi dina taneuh riduh nu sok disorang ku rinyuh. Usum hujan disebut pabaru. Pabaru walanda jeung pabaru cina. Pabaru Walanda leuwih ti heula. Bulan Désémber jeung Januari. Hujan ngecrek. Disambung ku pabaru Cina, bulan Pebruari. Hujan miripis dibarung ku angin. Aya angin ngagelebug. Aya angin leuleuy. 22 Manglé 2461 Ku Usép Romli HM Hayati
  22. 22. Angin leuleuy ieu pertanda bakal réa suung. Sabot ngaji di masjid, dicaangan ku lampu téplok, brul siraru areunteup kana semprong. Sawaréh rapluk maruragan. Sawareh tingkarayap. Caroplok jangjang. Budak nu geus rada hideng jeung ludeungan mah, sok nyusud tempat bijilna siraru. Biasana tina taneuh nu hieum ku tatangkalan. Bangsa dapuran honjé atawa konéng. Heg dicirian. Isukna, subuhsubuh ditéang. Di dinya geus nyampak suung badag. Suung bulan atawa suung kotok. Aya ogé suung rampak nu mayak aya puluhna. Nu teu boga ceungceuman mah, isuk-isuk ngasruk ka kebon. Tumpa-tempo kana sakur dapuran tatangkalan. Aya meneran. Aya lapur. Tapi tara poos-poos teuing. Sakalieun deungeun sangu sasarap méméh indit sakola mah, sok aya waé.Ditumis garing. Dipaké marengan sangu sangray. Di tempat néangan suung, mimiti gok béda rasa ka Hayati téh. Padahal wawuh ti baréto ogé. Salembur. Sasakola. Ngan béda dua kelas sahandapeun. Manéhna kelas opat. Keur mapay dapuran honjé tonggoheun imah, nempoan suung. Manggih dua. Gancang diala. Sabot dongko, kadéngé aya nu ngeteyep tukangeun. Hég ngagebah : “Hoyah !”cenah. Dilieuk, Hayati. Ngélék ayakan dieusi suung paré sababaraha siki. Buukna diuntun dua. Maké baju daster rada gombrang, rada kuleuheu. Lungsuran ti lanceukna, kawasna. Barang apaleun lain Maman, babaturanana sakelas, Hayati ngagoak. Beungeutna nyiak beureum. “Aduh sugan téh Maman.... ”leungeun kencana nungkup baham. “Ari pék lain Maman....” ditémbalan semu digonjak. “Aduuh, hampura...”sorana ngadarégdég.Reuwas jeung éra meureun. “Moal, moal dihampura... lamun teu digebah deui,”bet hayang tuluy ngaheureuyan. “Ah, Cécép mah....”leungeunna ngutek-ngutek sisi ayakan. Ramo sukuna nu ramiping ku taneuh, diutek-utek deuih. “Hutang gebah, kudu bayar gebah. Daék ?” “Ah, Cécép mah....hampura wé abi. Sugan téh Maman....” Ujug-ujug rey aya perasaan séjén. Satengahing jemplingna suasana kebon isuk-isuk. Rada poék ku pepedut. Nepi ka manuk oge tacan kadéngé récét. Nenjo beungeut Hayati bet asa geulis. Atawa memang geulis budak téh kitu? Da sapopoé panggih di sakola asa biasa-biasa baé. Sarua jeung batur-batur sakelasna : Aminah, Utik, Samroh, jeung sajabana nu sok kapanggih reureu jeungan. “Gantian wé ku suung, buruh digebah téh,”diheureuyan deui. “Tuh, karék aya suung paré lima siki.Cécép onaman geus meunang suung bulan,”témbalna rada teteg. “Hayu ka béh tonggoh sugan meunang suung rampak. Mun panggih Hayati, kadieukeun paké naur digebah tadi.” Taktakna ngaranjug tanda teu panuju. Tapi karérét biwirna ngerendu. Nahan lucu. Tuluy patutur-tutur, hanjat kana séngkédan. Nyuay-nyuay pelak wijén nu geus gomplok daunan. “Dok suung bulan ! Nu abi, nu abi, dok”Hayati ngagéréwék. Ngagajleng ka lebah rungkun saliara. Ĕnya wae aya suung bulan dua.Sagedé-gedé piring. Tadi mah ngarérét ka dinya, teu nempo nanaon. “Kop milik Hayati, suung bulan dua. Ngan kudu dipaké naur hutang digebah téa.” Manéhna ngukey ngali suung. Geus beunang duanana, sok kana ayakan. “Ké wé ari manggih suung kotok mayar hutang ngagebah mah,”Hayati ngadilak.” Tuh dina hunyudan runtah béh ditu sok aya suung kotok, geura.” Ditéang euweuh nanaon. Barang kadéngé saeran disada detciprut, ngadadak inget kudu geus balik. Kudu gesatgesut mandi jeung dangdan ka sakola. “Bisi kabeurangan sakola ah !”gancang mudun. Hayati nuturkeun ti tukang. Di jalan désa, misah. Méméh ngaléos ka beulah kulon, Hayati nyarita laun : “Hampura, nya Cécép. Aay ngagebah tadi,sugan téh Maman pédah sarua kaos belang...” “Dihampura asal mayar ku suung,”diheureuyan deui. Bari rada nyeblak ngadéngé manéhna nyebut ngaran “Aay”. Asa beda karasana jeung “Hayati”. Atawa “Yati” upamana. “Enya engké ku suung kotok. Suung bulan mah pesenan Aceuk, keur nyiram nya !”Hayati kerendu deui imut .Neuteup sakedapan. Luk tungkul. Tuluy malik.Mangprét lumpat ka imahna di béh kulon. Sasarap rusuh. Tumis suung bet teu mirasa. Pangpangna asa kaséréd ku golak haté. Hayang geura miang ka sakola. Hayang melong Hayati. Sapoe éta diajar teu pati bener. Pipikiran ngalayang ka kebon, kana suung teanganeun, ka Hayati nu ngagebah. Ka Hayati nu kaéraan. Ka Hayati nu daékeun diheureuyan kudu mayar hutang ku suung. Nepi ka jangji rék mayar ku suung kotok. Ieu nu disebut cinta munggaran téh? Cinta budak nu dadak-dadakan? Basa rék asup ka kelas,panon ngulincer ka kelas opat. Néangan Hayati. Aya tuh keur baris, tukangeun Aminah. Dipelong rada lila. Tapi teu ngalieuk. Jongjon we tungkul dina barisan. Basa istirahat, dipapay ka tempat barudak awéwé békles di lulurung deukeut gudang, teu katempo. Témpo balik, dikulincer deui teu kapanggih. Naha ka mana? Meunang béja isukna. Ti Iti, batur sabangkuna. Cenah, Hayati jam sapuluh balik. Ngadadak rieut jeung panas tiris. Paingan tadi rebunrebun, teu kapanggih néangan suung ka kebon. Boro rék ditagih suung kotok téa. Atuh néangan suung gé teu husu nyorangan mah. Henteu sumanget pédah euweuh Hayati. Padahal saméméh aya ngagebah ogé, néangan suung téh sok sorangan. Malah embung aya batur. Sieun kasoro milik. Sieun panon batur leuwih awas. Kawas Hayati mangkukna, manggih suung bulan saduadua dina tempat nu kungsi dipelongan. Kawasna Hayati kateterusan geringna. Diitung-itung, geus saminggu leuwih teu asup. Geus saminggu leuwih teu papanggih di kebon, néangan suung. Malah terus sabulan ambleng. Na ka mana? Rék maluruh, maluruh ka saha?Ĕra sieun pajar itu pajar ieu. Padahal enya asa kaleungitan. Pundung kitu pédah dikudukeun mayar dosa ngagebah ku suung kotok. Pabaru geus arék béak. Suung gé réngrép. Geus tara aya nu ka kebon rebun-rebun. Tapi hujan mah aya kénéh. Selang-seling. Hujan dangdangrat. Mun geus raat pisan, biasana maju ka usum hahajatan. Harita geus aya haneut-haneut béja nu rék hajat. Mang Mirta, urang kulon rék ngawinkeun. Ngawinkeun saha? Da sakaterang, anakanakna nu awéwé geus karawin kabéh. Kari Hayati, nu masih kénéh kelas opat sakola rayat. Piraku Hayati rék dikawinkeun onaman. “Enya,Hayati rék kawin, minggu hareup,”ceuk Aminah, baturna téa nu ngahaja ditanya ka mana ka manana Hayati tara sakola. “Kutan?”reuwas pohara ngadéngé béja kitu téh. “Enya ka tukang domba urang Ciuyah.” “Mang Dirman?”lahlahan neguh. Sabab sakanyaho nu sok jual-beuli domba urang Ciuyah mah, Dirman. Nu beungeutna rada garok tapak cacar. Geus boga anak pamajikan. “Enya éta,”Aminah teu kebat ngajawab.Kaburu ngabecir ka kelasna, digeroan ku baturbaturna. Handeueul kabina-bina. Karék gé wawuh, karék gé boga téténjoan, ukur sakakalina. Les moal kapanggih deui. Dikawin batur.Abong kalumrahan di lembur jaman harita. Awéwé dikawinkeun barudak kénéh. Teu tatanggapan nanaon, kawinna Hayati téh. Ukur ngabagi idangan ka unggal N yambung ka kaca 34 Manglé 2461 23
  23. 23. P uriding Puringkak Nyingraykeun Lalangse Ku Nina Rahayu Nadéa N gahaja isuk kénéh geus ngalangeu hareupeun imah. Hawa tiis dibaturan angin ngahiliwir ti landeuhkeun. Nebak awak nu tatadi ngadayagdag dina korsi. Ngararasakeun hawa nu nyelecep, nyulusup kana lulurung kalbu. Éndah kacida. Saparat panon nénjo kajauhna, ukur pakebonan jeung gunung leutik nu mapaésan kaéndahan alam. Jalan blung blong ka ditu ka dieu. Kacida pisan simpé, euweuh sora kandaraan anu nyababkeun polusi sora jiga di kota. Anu aya ngan sora manuk jeung sabangsaning sasatoan anu kacida matak genah tumaninah kana haté. Ngupahan anu sungkawa. Matakna ngahaja reureuh di dieu. Bumén-bumén di tempat anu kuring sorangan can wawuh. Ngahaja. Lian ti hayang ngahirup hawa seger. Ogé aya nu lain, hayang nyingkahkeun lalangsé. Miceun rereged anu aya dina diri. Hayang muka lambaran hirup anyar di dieu. Di tempat anyar. Satutas kajadian harita. Kajadian anu kacida matak down. Rendah diri jeung putus asa ngabaturan kuring. Kajadian anu langsung nangkubkeun jeung meunggaskeun sagala pangharepan anu karék mucunghul, pating parentul mapaésan haté ku karir anu neut neutan alus. Jabatan alus sakeudeung deui baris kacangking ku kuring. Jabatan anu salila ieu dipiharep ku sakabéh pagawé di perusahaan tempat kuring. 24 Manglé 2461 Tapi ku kajadian anu tumiba. Kuring kudu nutupkeun haté, malah nepi ka resign ti perusahaan sagala. Bongan, enya bonganna atuh mamala beut nganjang na diri. Sakapeung mah aral kacida. Mendingan nemahan pati daripada nandangan lara. “Allohu Akbar.” kuring jumerit waktu awak ngudupruk labuh. Gubrag! Panci anu dipaké naheur cai murag, meneran pisan kana leungeun katuhu anu neueul kana lanté. “Awww....” Rabul tatangga anu deukeut. Pamajikan rawah riwih ningali kaayaan. Aya anu ngabaluran leungeun ku minyak, aya ogé anu ku odol. Paciweuh. Sababaraha lila jadi pasén di rumah sakit. Ngubaran leungeun anu kaléob. Tapi ning kitu, geus titis tulisna. Anu dipiharep sangkan normal, teu waluya. Leungeun katuhu jadi kompér, euweuh tanaga, sarta warnana hideung pabaur jeung bodas anu pating gareblég totol-totol. Matak geuleuh ningalina. Komo lebah curuk mah. Iy, pasti ngabirigidig. Ningali tumpukan daging anu teu mangrupa, jiih. Kacilakaan anu nyababkeun kuring tatu saumurumur. Rujit. Sorangan geus ngarasa kitu, komo meureun nu lain. Kitu anu jadi momot kuring saban waktu. Sanajan pamajikan salilana nyarita tetep nyaah, tetep narima kana naon rupa anu tumiba. Ngan kuring angger teu sadar. Ti harita jadi leuwih kasigeung jeung gedé ambek. Teu kaur aya omongan anu rada teu merenah langsung nyentak. Kitu deui mun ngadéngé anu ngalelemu, ngagedékeun haté teh lain atoh. Tapi beuki ijid kanu ngomong asa ngaléléwa, asa ngahina. Sakapeung sadar jeung mangkarunyakeun kanu jadi pamajikan pareng disentak. Tapi nya kitu téa atuh kuring téh sok asa geuleuh. Matak mending nyamunikeun diri di ieu tempat anu hara-haraeun. Méh teu panggih jeung jelema loba. Tiis ceuli hérang panon. Kapaksa meureun. Pamajikan ngéléhan manéh nuturkeun kuring pindah. Ari barudak mah angger waé di kota. Satia ka salaki, ngurusan kuring anu keur karandapan aral. Tinimbang aya kajadian anu teu dipiharep. Mimita na mah manéhna mugen sarta ngalelemu ka kuring sangkan cicing, angger di tempat anu baheula. “Naha tos diémutan, Kang?” cenah panonna manco ka kuring. “Komo!” kuring teugeug, teu nempo saeutik ogé ka pamajikan. “Saur pangemut abdi mah mending di dieu heula atuh. Tong getas harupateun. Anggur sing tawakal. Pan Akang gé di dieu keur diubaran. Mudah-mudahan aya jodona. Bisa cageur cara sasari.” Pamajikan ngalelemu. Leungeunna ngocékeun gelas. Song gelas di ka kuringkeun. “Leueut heula cai téh haneut, meh janglar.” “Teundeun na méja.” Kuring teu miroséa. “Kang.” Pamajikan ngarahuh. “Hem.” “Akang téh sing sabar. Sakieu gé alhamdulillah ngan saukur panangan anu tatu.” “Na di dinya ngaharepkeun kabéh awak kaléob cai panas kitu?” “Astagfirulloh, Kang. Sanés kitu....” “Heup... heup gandéng. Meunggeus tong loba carita deui.” Panon kuring mencrong ka luhureun méja kerja. Map anu numpuk, bukubuku, kantong jingjing, ngingetkeun kuring waktu digawé. “Hapunten.” Manéhna cengkat. “Nung...!” “Kumaha?” cenah ngarandeg, léngkahna kandeg. “Hampura akang,” cekéng. “Teu sawios. Ngartos.” Gék deui di gigireun. “Akang téh éra ku kaayaan. Enung gé apal kumaha akang baheula. Jadi wayahna mun Enung nyaah ka akang....” kuring neuteup panonna nu liuh carinakdak. “Akang hayang pindah. Hayang ngumpi diri. Keun waé cicing nyorangan gé, ari Enung teu daék mah.” “Pami tos buleud mah, mangga. Keun abdi gé bakal nyarengan.” Sorana dareuda. * Tempatna jauh ka ditu ka dieu. Kabeneran aya rélasi anu ngajual vila. Alhamdulillah, teu ditawar deui langsung diduitan bakat ku atoh. Tempat anu ceuk batur haraharaeun, pikasieuneun téh. Cek kuring mah betah kacida. Tempat anu saeutik saeutik miceun bangbaluh, nyingraykeun lalangsé anu asa
  24. 24. ngukuntit diri. Unggal isuk ngalangeu hareupeun imah. Jalan-jalan ngarasakeun hawa anu seger tumaninah kana awak, sumarambah kana bayah. Katunggaraan saeutik-saeutik kaubaran ku ningali kaayaan ciptaning Gusti anu éndah kacida. Sanajan angger wé sok aya kasedih datang mun inget kana kajadian. “Gusti, naha anjeun masihan sagala kasedih nu pohara.” Kuring nyusut cipanon ku tonggong leungeun nu datang teu kaampeuh. Panon angger nyérangkeun sakuriling, rét ka kénca rét ka katuhu. Karék sidik, gening rada jauh, beulah kalér aya jalan badag molongpong. Di dinya aya gapura badag warna emas. Patingborélak katojo sumirat. Gapura anu jadi batas hiji wewengkon. Katangen di luhurna aya aksara badag. Ngan teu pati écés, jeung teu kaharti tulisanna, teuing batas daérah naon. Tulisanan rada teu jejeg, siga tulisan sunda buhun. Awak asa lungsé, asa sedih pohara ningali gapura anu aya di dinya. Gapura anu dipinding tihang beton kénca katuhu. Beton mangrupa dua leungeun anu keur nadah, siga anu keur ngadoa ka mantenNa. Aya nu merebey ningali éta dua leungeun anu keur ranggah. Leungeuna anu katuhu ning euweuh ramo anu katingali. Ti pigeulang nepi ka ramo teu aya. Buntung. Rét kana leungeun katuhu kuring anu teu daya teu upaya. Tong boroning bisa ranggah siga kitu. Anggur beut asa ngaheurinan. Teu bisa nanaon. Jadi hahalang pikeun ngalakuken kagiatan. Ngulapés, teu daya teu upaya. Sagala ngan saukur dilakukeun ku leungeun kénca. Rét deui kana leungeun ranggah di luhur gapura. Katingali leungeunna bedas. Ngadoa unggal waktu. Jung nangtung lajag léjég. Aya amarah anu datang teu diondang. Ambek ngurunyung inget kana papastén anu karandapan. Kabayang waé waktu keur gandang. Sapopoé maké mobil. Datang ka kantor pada ngahormat, pada ngajénan. Ari ayeuna? “Na atuh manéh teh ngadon ngulapés. Euweuh guna. Euweuh gadag. Asa mendingan siga leungeun di luhur gapura. Sanajan buntung tapi geuning perkasa katingalina. Gagah.” Kuring ngabeubeutkeun manéh kana korsi. Ngépéskeun leungeun katuhu satarikna. “Aduuuh.” Kuring ngajerit basa leungeun keuna pisan kana armrest korsi. Nyuuh kana méja sababaraha lila. Ngarasakeun nyeri dina leungeun. Clak... clak.... Sora nu ngeclak écés kana ubin. Ngarérét sakeudeung ka lebah sora anu deukeut suku. Bari angger nyuuh. Gebeg. Ningali getih anu anu aya dina ubin ngabayabah. Beuki loba bareng jeung nu ngeclak ti luhur saeutik-saeutik. Tanggah, euweuh nanaon. Paneuteup balik deui kana ubin, nuturkeun getih, ti mana asalna. Rét kana leungeun anu beuki nyanyautan. “Gusti!” kuring ngajerit ningali leungeun kuring nu buntung. “Nung... Enung...!” Kuring ngagero pamajikan bakat ku reuwas. Antara sadar jeung heunteu aya nu nyoara tan katingali. “Sukur geus mikeun éta leungeun ka kuring. Dasar jalma merekedeweng. Salilana ngagugulung aral!” Sorana ti béh kalér.... lebah gapura. Rét ka gapura. Rét ka luhur gapura. Ningali leungeun anu ranggah téa. Cacadna leungit baganti dua leungeun anu sampurna. Leng teu inget di bumi alam.*** Nina Rahayu Nadéa. Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda jeung bahasa Indonésia. Tulisan séjénna nu geus dimuat bisa dipaluruh di www.ninarahayunadea.blog spot.com Manglé 2461 25
  25. 25. C arita Heubeul Ku M.A. Salmun { 30 } S akumaha anu geus dicaritakeun dina ngamimitian ieu buku parantéanparantéan di bui Surabaya téh réa anu kabita ku hirup munding, saking ku sangsara hirup di naraka dunya. Sok sumawonna anu tuman hirup ngeunan atawa nu tara biasa hésé-capé, dalah anu tadina tuman sapopoé naktak-mundak, kapentrangkapanasan ogé, batan jadi parantéan Surabaya mah leuwih atoh lamun dibéré pondok umur. Ana ninggang di Aom Usman, henteu tutur nyuhun nanggung, teu biasa naktak-mundak, ayeuna hirup sahandapeun kuda umbal, leumpang gé kudu bari ngajingjing ranté nu dipaké ngababandulan suku, héésmandi, kiih-ngising teu lésot; kuda umbal onaman ari héés atawa ngencar mah sok lugina. Atuh kaharti lamun Usman atawa parantéan nu lianna, leuwih atoh upama di- 26 Manglé 2461 gantung atawa dibedil téh, batan kudu hirup-sato 20 taun mah. Eta gé biheung! Ari Kusén, sajungna Usman ti hareupeunana téh, sajongjonan mah ngahuleng, baé, pipikiran asa ngadadak cus-cos réa kaéling, malah saenyana ka Nyi Rapiah ogé lain teu ingeteun, tadi geus sapok-pokeun rék nanyakeun, tapi kapikir moal pihadéeun, matak ngahudangkeun maung héés baé jeung jiga nu mupuas ka Usman. Lamun seug Kusén gugon-tuhon kana tahayul jeung bid’ah moal boa percaya kana omongan sawaréh jalma, yén pamajikan atawa awéwé teh boga pariwatek jeung paribawa ka salakina. Aya awéwé anu watekna mawa mujur jeung darajat, aya awéwé nu paribawana sial jeung cilaka ka salakina, cara Nyi Rapiah, boga salaki dua kali, duanana salakina jadi parantéan baé. Naha bener éta téh perbawa awak jeung wisit Nyi Rapiah? Wallahu Alam. Geus rada lila, jung Kusén nangtung, nitah upas nyalukan pulisi ti Bandung nu nganteurkeun Usman. Harita éta panganteur téh –tiluan— keur ngadago di hopak (hoofdwacht), sakumaha biasana para pangteur ti jauhna, méméh aya surat paréntah saméméh balik mah, patali jeung aya-euweuhna kapal atawa parahu nu indit ti Surabaya, sok ngarendongna di hopak téa, campur jeung tukang jaga lianna. Ari jol pulisi nu tiluan ti Bandung téh, bet tiluanana wawuh ka Ujang Kusén, Si Datab Si Kemod jeung Si Acing, batur langlayangan keur leutik. Atuh jelema opatan téh sirikna teu silih rangkul, Kusén seuri bari cimataan nahan kagagas. Jurutulis Cokro olohok. Geus rada leler, tilu pulisi téh narangtung ngariung méja, Kusén diuk tuluy nguruskeun surat-surat dines bawaeun éta tilu panganteur, aya nu kudu ditanda heula ku jaksa aya katerangan geusan sakaut, geusan sabandar (kapala palabuhan), jeung jaba ti éta. Geus anggeus, ceuk Kusén: “Tah euy, kari ngadagoan ditanda ku sipir, dagoan baé heula. Kabeneran sarilaing teu kungsi lila di dieu, pagéto aya parahu Bugis arék ka Pasar Ikan, sarilaing milu nepi ka Cirebon. Ari déwék, berekah, kari salapan poé deui di naraka téh. Ayeuna poé naon, tah Rebo, jadi Kemis hareup déwék kaluar téh. Kabeneran Jumaahna aya kapal marineu rék ka Tanjung-Pariuk, ceuk sipir déwék meunang dibawa ku kapal éta asal daék mantuan ngumbah dék. Saptu isuk-isuk meureun geus bisa hanjat di Cirebon. Béjaaan Bapa jeung Ema jeung Si Arsali. Déwék hayang dipapag ku per kitu ka Cirebon, ambéh Salasa pabeubeurang geus aya di Bandung.” Keur kitu sipir abus diiring ku Hatebessy. Ari rét Acing ka sipir, ari gero téh: “Ya Allah, geuning Anom Jacob. Kutan Anom téh di dieu?” Sipir mureleng sakeudeung, pok ngomong bari seuri, ngomong basa Sunda nu béntés téa, kumaonam anom Bandung: “Euleuh-euleuh ieu Si Acing?” “Sumuhun Anom, anak babu Inah téa, apan Anom téh ti jaman sinyoh kénéh dugi ka
  26. 26. kagungan nyonya teras ngalih, dibabuan ku pun biang; abdi mah harita alit kénéh,” jawab Acing bangun conggah. Sipir anu ka parantéan sakitu galakna téh bet ka anak jururawatna mah daék ocon: “Alit-alit matasia, aya alit geus bisa malingan surutu déwék, hah, hah, hah, hah, kumaha Ema Inah cageur? Hirup kénéh Ma Inah téh?” Teu dicatur panjangna gunem warta. Tilu pulisi ti Bandung téh mareutingna gé henteu di hopak cara panganteur lianna, tapi di imah sipir da sipir sono ka Acing. Balikna Acing téh rebo ku pamahanan Anom Jacob geusan babu Inah, jaba duit, Acing pribadi lungsuran-lungsuran baé mah teu luput jaba keur jajan. Dina arék jung indit, nepungan heula Kusén anu sakali deui talatah hayang dipapag ku per di Cirebon; poé Saptu isuk-isuk téh hayang geus nyampak, megat deukeut kantor jaksa baé, ambéh teu hésé, sabab nékenkeun heula surat-surat ka dinya.*** 11 Poé Salasa ninggang hajat Mulud, imah Haji Samsudin diputer ku balandongan téh lain babasan, ka pipir-pipir diadegan papayor. Nyi Haji Samsudin geus teu ngitung ratus teu ngitung rébu, pokna sabaraha baé béakna duit kula, entong maké diaték, naon nu perlu geusan nyampakkeun Si Ujang, beuli, teu dibikeun dibeuli, diséwa, asal puas asal senang. Keur naon duit digugulung ogé, ari teu matak nyenangkeun pikir mah, geus paéh mah kula nangkarak baeud moal ngarasakeun gunana. Naon pédahna beunghar lamun haté kusut marungkawut asa hirup teu jamuga. Geusan mapag ka Cirebon, ngadadadak meuli per weuteuh ti toko Kamerling di Lengkong, nu ngahaja muka pabrik bendi jeung kareta katut pakéan kuda. Kudana, dibélaan ngaganda ti Sech Mubarak, kuda Arab tulen; Nyu Haji geus teu ngitung harga asal senang. Nu mapagkeun jejerna ku Arsali, saperkara rajeun nyaba ka Cirebon urusan kai, ka duana bisa ngomong Jawa, ka tiluna geus apal kana arasurus kasakaut, ka sabandar, ka jaksa. Ari babakuna da sasat “dulur sapapait” jeung Kusén. Nu tadi ngan rék perhiji téh dina bralna mah ngaleut sapuluh, da réa baraya aya atuh pohara raména ku sémah di imah Haji Samsudin téh. Sajabana ti ngagungkeun poé Mulud téh bet ninggang perlu kasambut sunat kalampahkeun. Bubuhan béja geus pabéja-béja, omong harus batang goong, ditambah ku bakat urang Bandung resep kana hal-hal anu tara kajadian sapopoé, atuh ti jauh kénéh gé geus réa nu “megat”, di sisi jalan, ti lebah kaca-kaca wetan keneh geus tinglalimbung. Kira pukul 10, beretek ti mani saheng. Nyi Haji geus teu puguh cagap, mun teu pada ngayap mah duka kumaha. Eta ge ari napsuna mah hayang milu mapag ka Cirebon, tapi pada ngahulag. Aleutan Ujang Kusén ti kaca-kaca wétan kénéh geus cara ngabring-ngabring panglima nu tas nalukkeun nagara baé atawa cara keur helaran pangantén baréto. Ti hareup maké dihuluan ku barudak santrinu narabeuh genjring rebana. Ari Ujang Kusén diukna sa-per jeung Ujang jeung sobat anu bari mangpang-meungpeung ngadon jarah ka Gunung Jati jeung hayang nyaho karaton kasultanan. Arinditna ti Bandung ti poé Kemis kénéh, bada kabéjaan ku tilu pulisi nu baralik ti Surabaya téa, daratangna Salasa pabuburit, duméh di laut hadé angin. Tah, dina poé Salasa Mulud, najan sasatna ngadadak, bubuhan sagala wétan aya nu negarkeun kuda sasat dikoprot, hayang téréh nepi, sihoréng Arsali, jadi palatuk abrulan, mengpengan lumpat ti heula, ngabéjaan ka nu mapag di kaca-kaca, yén abrulan kira-kira geus nepi ka Cicadas. Atuh jalma oyag, per, bendi jeung kahar nu ngadarago ti isuk-isuk geuwat ditatakeun. Nepi ka imah Haji Samsudin, barang dibejaan ku Arsali, pribumi jeung tatamu Tamim, lanceukna, utusan saréréa mapag ka Cirebon. Manéhna geus méh teu kaampeuh nahan cimata bawaning kagagas, malah barang ngaliwat bui urut manéhna dua taun katukang ngadekem mah cipanonna teu katahan, nyuruluk mapay pipi, mun teu kahégar-hégar ku nu salawatan bari narabeuh rebana mah boa ceurik cara budak. (hanca) Manglé 2461 27
  27. 27. C arita Nyambung Bagian 192 A sad neruskeun caritaanana. Medar lalakon pangna manéhna nepi ka lebah dinya. Ngan, tangtu wé teu dicaritakeun sajalantrahna, lantaran aki-aki nu keur disanghareupanana téh anyar pinanggih, teu apal saha-sahana jeung kumaha pasipatanana. “Jadi hidep téh neangan nu dagang dahareun?” “Sumuhun, kitu pisan pangpangna mah!” “Atuh untung hidep téh, lantaran kula rék ngayakeun sukuran, ngondang babaturan. Andika gé bisa milu, bisa dahar saseubeuhna kalayan teu kudu ucul duit,” ceuk akiaki. Lian ti nawaran dahareun, aki-aki gé jangji rék nyaritakeun kaayaan 28 Manglé 2461 éta kota. Tangtu, cenah, penting keur semah mah, ngarah henteu talag-tolog teuing. Asad bungah. Inyana narima ajakan. Ngan, aya tanjakan, mun geus réngsé urusan sapereluna, dirina rék gura-giru balik deui ka tempat asalnya, nepungan deui lanceukna. Ngadéngé omongan Asad kitu, aki-aki ukur mésem, bari pokna téh, pék téh teuing kumaha karep. Peuting ka-229 Sanggeus sapuk, nu duaan téh ngalengkah, ingkah ti éta tempat. Asad ditungtung ku aki-aki, ngiclik tukangeun pribumi. Ti jalan gedé, léok méngkol ka gang nu ukcur cukup keur papaliwat nu laleumpang. Tétéla, anggang ti jalan gedé téh. Atuh, sajeroning lalampahan, rupa-rupa omongan nu ditepikeun ku masing-masing. Saperti jangji aki-aki, inyana gé rék méré béja ngeunaan kaayaan éta kota. Ngan, horéng lain béja nu matak bungah, tapi sabalikna. Ceuk aki-aki téh, untung Asad salamet, lantaran padumuk éta kota téh kacida jarahatna. Mun téa mah, teu kaburu papanggih jeung manéhna, ceuk akiaki téh, bisa jadi Asad tinemu bahla ku padumuk kota nu umumna kacida mikangewana ka nu anyar pinanggih. Keur Asad lalampahan téh asa jauh naker. Kitu téh bawaning ku lapar jeung capé. Awakna gé lungsé, mun teu dipaksakeun mah, hésé ngalengkah-lengkah acan. Ahirna, nu lumampah téh nepi. Anjog ka pakarangan nu wawangunanana kacida agréngna, nenggang ti imah-imah séjénna. Aki-aki ngajak Asad asup ka éta wawangunan. Sakur nu pasarandog jeung aki-aki téa, kacida mihormatna. Teg wéh Asad gé boga sangka, éta aki-aki téh lain jalma samanéa, payusna inohong masarakat nu pada mikaajrih. Sadatangna ka tengah imah, Asad ngajenghok. Di tengah imah, nyampak sakumpulan aki-aki nu keur ngariung seuneu nu ngabebela. Asad gé apal, nu paripolahna kitu téh,jalmajalma nu nyembah seuneu nu katelah bangsa Majusi. Ngabandungan kaayaan nu kawas kitu, Pangeran Asad sadar, dirina kajiret ku aki-aki nu bisa nyumputkeun semu. Horéng, ucap hadéna téh ukur pangoloan sangkan sémahna ngandel kana kahadéan dirina.Keur ngahuleng, Asad beuki reuwas. Lantaran, aki-aki téh ngomongna tarik naker. Nyarita, yén arinyana keur meunang barokah pangeran. Buktina, dina danget éta kénéh,

×