Mitra Sunda - Mangle2439

18,148 views

Published on

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total views
18,148
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
6
Actions
Shares
0
Downloads
0
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mitra Sunda - Mangle2439

  1. 1. N gahaja nyodorkeun istilah “diaspora” dina nomer ieu téh, kahijina ieu istilah téh ku batur mah geus dipolitikkeun, bari prak kumaha carana bisa “nyebarkeun binih anak bangsa” di nagara- nagara deungeun. Kadua, lantaran aya patalina jeung kagiatan “Diaspora” nasional nu ngahaja dina taun ieu sabudeureun tanggal 17 Agustus 2013, ngayakeun kongrés di Jakarta. Kum, urang Indonésia anu sumebar sadunya, karumpul di Jakarta, ngakurkeun pangala- man jeung ngararancang program keur ngilu ngara- harjakeun bangsa boh nu di pangumbaraan boh nu bumetah di sarakan. Keuna ka urang Sunda anu sarua geus motekar sorangan nyebar, ngalalana, bubuara di nagri deu- ngeun, ieu kagiatan téh mecut sawatara urang Sunda anu hirup belejag di Karajaan Kuwait. Ku alpukah sawatara urang Sunda nu jadi gegedén perusahaan minyak Kuwait, gegedén rumat sakit, jeung di rupa- rupa profési séjénnna, nya ngadeg “Paguyuban Urang Sunda di Kuwait” anu tos resmi ditangtayungan ku Ke- dubes RI di Kuwait. Ari visi jeung missina mah, iwal ti bisa jadi wadah guguyuban jeung silih talingakeun papada uiang Sunda di Kuwait téh, ogé hoyong bisa mulang tamba ka lem- bur karuhunna ku cara réréongan. Ngabandungan obrolan di kantor Manglé sareng Pa Adi Priadi Kadar,M.Sc., Pa Nanang Suyono, nu jadi Pangaping sareng Sesepuh Paguyuban Urang Sunda di Kuwait, al- hamdulillah urang Sunda di Kuwait téh katingalna langkung ti hurip. Pantes mun bisa ngeureut neundeun keur mulang tamba ka dulur-dulurna di lembur karuhunna téh. Taun ieu tos dirarancang, survéy tempatna, gambar wawangunanana, piwaragadeunana, Paguyuban Urang Sunda di Kuwait baris ngadegkeun rumah sakit di wewengkon Jawa Barat keur jugjugan nu tatamba tina rupa-rupa kasakit sarta baris kabedag da waragad tatamba baris murah, boa nepi ka haratisna. Muga sing pareng! *** Diaspora Urang Sunda di Kuwait 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Adi Priyadi Kadar, M.Sc. (katilu ti kenca) sareng Nanang Suyono (kadua ti kenca) waktos silaturahmi ka ka redaksi Mangle
  2. 2. SAJAK Diwontid Ano Karsana ..................................... 8 KOLOM Ngeunah Éhé Teu Ngeunah Éon Atep Kurnia ...................................... 9 Naon Ari Ideologi Dede Mariana ................................. 30 PURIDING PURINGKAK Supata Urang Baksil Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24 UNAK-ANIK Baju Kuda Teu Weléh Maréma ......................................................... 44 IMPLIK-IMPLIK Nu Ngumbara di Kuwait Tibelat ka Tatar Sunda ......................................................... 46 CARITA PONDOK Bapa jeung Adan Magrib Ipung Thaifur Abu Yazid ................... 20 Hideung Jeung Bodas Yosef M. Ibrahim ................................. 22 Lalaki Dina Tungtung Peuting Tiktik Rusyani ..................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Alit ....................................... 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (170) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (9) M.A. Salmun ............................................................. 12 Panata Rias & Raksukan: Sanggar Ayu Busana (Galery Rias Pengan- tin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9 Ujung Berung – Bandung Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408 ­Sekar­Manglé Tiara 5 LAPORAN 100 Taun Paguyuban Pasundan Kawah Candradimuka Urang Sunda Potret:Reisyan Biasana gé ti jam satengah genep soré, Pa Ahmad geus ngajentul di masjid, rék adan. Komo ayeuna, kangaranan bulan puasa. Ti jam satengah lima mula geus aya di masjid, bari tadarusan jeung ngawurukan barudak nu ngaraji. ............................... 20 Bapa jeung Adan Magrib
  3. 3. Huffpost T eu mangkuk sabaraha lila sabada surat kabar The Washington Post dijual ka Jeff Bezos 250 milyar dolar, The Huffintong Post dilélér hadiah Pulitzer. Éta anu dua téh taya patu- la-patalina. Tapi kajadianana némbongkeun kumaha robahna nasib koran sabada aya internét. The Washington Post téh umurna geus leuwih ti saabad. Mimiti terbit dina taun 1877. Tirasna rata-rata 400 rébuan sapoéna. Malah nu édisi poé Ahadna mah bisa nepi ka 800 rébuan. Wartawan nu digawé di dinya, nurutkeun Wikipédia, moal kurang ti 700 urang. Nepi ka ayeuna geus kungsi meunang Pulitzer nepi ka 47 kali. Salasahiji préstasina anu nyongcolang dina awal taun 1970- an. Harita éta koran téh ngabongkar skandal Watergate anu jadi sabab mundurna Presidén Richard Nixon. Duaan réporterna, Bob Woodward jeung Carl Bernstein kakoncara ka mana-mana. Nya ti harita mimiti populérna naon anu disebut laporan invéstigasi téh, anu ditarurutan ku méh sakumna penerbitan di saku- liah dunya. Alesan utama naon sababna koran anu geus ngalégénda saperti kitu ku nu bogana nepi ka dijual lan- taran alesan bisnis. Oplah sapopoéna cenah terus nyirorot. Komo deui iklanna mah. Ari Jeff Bezos, anu meulina, éta téh bosna Amazon, toko buku onlén anu keur meujeuhna nanjung. Cenah ku Bezos, engkéna koran The Washing- ton Post téh bakal digabungkeun jeung Amazon. Duka teuing bakal kumaha jadina. Saméméhna, grup The Washing- ton Post gé geus nutup penerbitan majalah Newsweek, anu robah jadi majalah onlén. Ku dijualna The Washington Post nandeskeun yén penerbitan anu sakitu rohakana gé ahirna teu mangga pulia nyanghareupan mahabuna média onlén di internét. Ari The Huffington Post, sok diringkes jadi Huffpost, média onlén anu umurna tacan aya 10 taun. Boh Washington Post boh Huffpost sarua, diterbitkeun jeung dikokolakeunana téh ku awéwé. Katherine Graham, anu mingpin The Washington Post geus maot sababaraha taun ka tukang. Ari Arianne Huffington, salian ti jadi pingpinan téh rajin pisan nulis deuih, lantaran asalna gé manéhna téh sok nulis buku. Majuna média onlén Huffpost jeung nyirorotna média citak The Washington Post nétélakeun yén dunya penerbitan keur robah. Lain hiji dua média citak anu bangkrut. Sabalikna média onlén ting- pucunghul di mana-mana. Di urang gé galagatna ka dinya. Kakara disebut galagat téh lantaran tacan aya média citak (anu gedé) di urang bangkrut lantaran kadéséh ku média onlén. Koran Kompas upamana angger tagen. Papadaning kitu tetep ngayunkeun pameredih jaman ku jalan muka média onlénna, najan béda. Ngan Kompas.com anu gratisan téh. Ari epaperna mah angger kudu langganan, tur hargana sarua jeung média citakna. Padahal di batur mah, Huffpost upamana, di- gratiskeun. Di urang gé aya detikcom anu gratisan. Detikcom téh minangka panaratas ayana "koran onlén" di urang. Boediono Darsono anu tadi- na nyekel tabloid mingguan Detik jeung Eros Djarot, sabada tabloidna ditutup ku Suharto, nya ganti cabak kana naratas ngadegkeun detik.com. Eusina, berita. Langsung pada ngabagéakeun lantaran kakara aya berita anu formatna saperti kitu. Ayeuna, detikcom geus kaasup jugala. Malah geus ganti dunungan sanggeus sahamna dibeuli ku Chairul Tanjung anu keur koko- moan ngokolakeun média informasi kaasup télévisi Trans jeung Trans7. Papadaning kitu mahabuna inter- nét di urang tacan bisa ngaruntagkeun dominasi média citak. Éta gé geus karasa galagatna, babakuna dina uru- san iklan. Anggaran iklan anu katarima ku télévisi jauh leuwih gedé batan anu asupna ka média citak. Kumaha ari iklan dina média onlén? Sigana mah tacan ceuyah sakumaha di batur. Da buktina nepi ka poé ieu nu sabangsaning detikcom tacan aya nu nandingan. Kungsi aya sababaraha anu nyobaan, tapi umurna teu lana. AM Manglé 2439 3
  4. 4. 4 Manglé 2439 Imah urang Sunda Sampurasun! Punten ngiring nyerat. Nu kahiji ngawilujengkeun ka Paguyuban Pasundan nu tos nincak saabad. Hartosna tarekah sareng lampah teh tos asak, seueur wariskeun- ana kanggo generasi sateras- na, Kantenan seueur pisan harepan masarakat ka Paguyuban Pasundan dina nanjeurkeun kasundaan. Memang seueur keneh wargi-wargi Sunda nu teu acan terang kana program Paguyuban Pasundan, pang- pangna dina sual ningkatkeun karaharjaan jeung SDM urang Sunda. Nu terang teh seueur sakola- sakola Pasundan. Mung maksad Simkuring, program ningkatkeun SDM nu patali sareng program kaluar, sok sanaos sanes aya dina lem- baga atikan Pasundan. Margi, urang Sunda henteu mung wungkul sakola di Paguyuban Pasundan. Tah, margi kitu, mudah-mudahan ka payun mah, Paguyuban Pasundan tiasa merhatos- keun sakola-sakola swasta di luar lembaga atikan Sunda. Teras dina sual karaharjaan oge, miharep Paguyuban Pasundan, langkung jinek dina ngahampangkeun bangbaluh urang lembur-lembur nu leres-leres miskin. Carana mah mangga nyanggakeun. Atuh dina sual, ruang-riung, mudah-mudahan Paguyuban Pasundan masing ngara- ngkul deui potensi urang Sunda nu tacan kawanohkeun. Sakitu, hatur nuhun. Mang Aep ti Cileunyi Ciamis PEMERINTAH KABUPATEN TASIKMALAYA Dina raraga miéling Hari Jadi Tasikmalaya ka-902 Ngahaturkeun nuhun ka sakumna masarakat, nu parantos ngiring ngarojong rupaning program pangwangunan di wewengkon Kab.Tasikmalaya Bupati Wakil Bupati H.Ruzhanul Ulum, SE. H.Ade Sugianto,S.IP Sekretaris Daerah Drs.H.Abdul Kodir,M.Pd. Hayu Ragem Sauyunan Ngawujudkeun Kab. Tasikmalaya nu Religius Islami
  5. 5. T anggal 20 Agustus 2013 waktu ka tukang, Paguyuban Pasun- dan manjing umur saratus taun. Tangtu wé kagiatan ngareuah-reuah milangkala nu lumangsung di Sasana Budaya Ganesha (Sabuga) Bandung, jadi “Peristiwa Budaya”, nu lain ukur ruang-riung ngedalkeun kasono jeung pintonan seni wungkul. “Kanggo organisasi sapertos Paguyuban Pasun- dan, peristiwa budaya téh sangkan urang, saha waé, bisa ilubiung dina ieu kagiatan,” saur Ketua Umum PB Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si. Dina ngareuah-reuah milangkala sa-abad Paguyuban Pasundan téa, di- paheutkeun gagasan, angen-angen, cita-cita, impian, geusan jadi karep jeung kahayang sakumna urang Sunda, hususna ais pangampih Paguyuban Pasundan. Mapag milangkala saabad Paguyuban Pasundan, mémang eu- yeub naker. Diantarana waé, pidangan seni instalasi, musik, lalaguan, tari, puisi jeung kagiatan séjénna. Ari jejer badagna mah, ceuk Ketua Umum PB Paguyuban Pasundan, nyoko kana karep jadi “Jaga Baya Sunda”. Tékadna, kahiji, mageuhkeun jati diri urang sunda nu teuneung ludeung. Kadua, nangtukeun Leader- ship Pemimpin Sunda, katilu, nang- Manglé 2439 5 Saabad ka tukang, 20 Agustus 1913, ngadeg Paguyuban Pasundan. Tujuanana, merangan kokoro jeung kabodoan. Dina manjing umur saratus taun éta organisasi teh loba ketak jeung tarékah, lir kawah candradimuka urang Sunda. *** Para inohong Sunda dina Milangkala Sa-abad Paguyuban Pasundan. Lain saukur ngedalkeun kasono
  6. 6. tukeun koordinat (0,0) nu jadi titik pamiangan anyar keur ngawangun kasadaran nanjeurna solidaritas ka- bangsaan, ogé kaopat ngawangun manusa Sunda nu pinunjul jeung bener-bener boga kamampuhan. Pamingpin 2014 jeung Nguatan Kultur Bangsa Milangkala 100 taun Paguyuban Pasundan gé jadi panitén balaréa. Ku kituna, wajar, boh para inohong boh masarakat Sunda loba nu miharep ka Paguyuban Pasundan sangkan sabada nincak umum 100 taun, beuki teu- neung ludeung, jadi panyundut sumanget kaasup dina sual kapaming- pinan nasional. Saperti nu ditepikeun ku Gupernur Jawa Barat, H. Ahmad Heryawan, Lc., urang Sunda dina taun 2014 geus waktuna nyiapkeun pamingpin ka tingkat nasional. “Urang Sunda minangka étnis badag, geus waktuna loba teureuh Sunda nu ngi- gelan di tingkat nasional. Kitu deui ka- mampuhan SDM di Jawa Barat kedah janten ukuran unggulna pangwangu- nan nasional. Lantaran kitu, teu lepat, upami ka hareup aya Presiden atanapi Wakil Presiden teureuh Sunda," cek H. Heryawan, Lc. témbrés. Ku kituna, ngaliwatan sumanget milangkala 100 taun Paguyuban Pa- sundan, Heryawan umajak sangkan sakumna warga Jawa Barat terus-teru- san ngalakukeun "diaspora", ngalum- bara ka saban daérah di nusantara, malahan ka saba nagara sing sarukses. Ngan upama geus sukses, ulah poho sangkan baralik deui jadi pelopor pangwangunan keur kamajuan tatar Sunda, hususna Jawa Barat," pokna deui. Paguyuban Pasundan ti mangsa ka mangsa geus loba ketak jeung tarékahna. Ku kituna deuih, nurut- keun Pupuhu Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. Ir. H. Ginandjar Kartasasmita, milangkala saabad paguyuban pasundan kudu jadi ‘peristiwa budaya’ nu luar biasa keur urang Sunda. Lantaran 100 taun Paguyuban Pasundan ieu, ngajinekeun deui sababaraha widang. Diantarana waé, muguhkeun ajén perjuangan Paguyuban Pasundan, ngawujudkeun kadaulatan budaya, ogé ngawangun kamandirian. Sabada 100 taun Paguyuban Pa- sundan ogé loba nu miharep sangkan leuwih mageuhkeun kawah candra- dimuka urang Sunda. Nu kitu téh lain waé keur inohong Jawa Barat tapi ogé keur inohong nu geus mang- gung di tingkat nasional. Upamana waé Moh. Jumhur Hidayat, nu ki- wari pada ngarojong nyalonkeun presiden, nétélakeun milangkala 100 taun Paguyuban Pasundan, kaasup salah sahiji cara nu ‘nembrakkeun’ isu kasundaan sakaligus isu ka- bangsaan. Ceuk pangrasa Jumhur, Paguyuban Pasundan téh badag jeung mémang mampuh ngajarkeun prinsip- prinsip hirup nu saéstuna. Ku kituna, ka hareup ceuk Jumhur, Paguyuban Pasundan salawasna ngayakeun kon- solidasi, pangpangna dina sual kabeungharan kultur, wajib ditepikeun keur nguatan budaya bangsa. “Malahan, lantaran étnis sunda nu mangrupa sub kultur budaya Republik Indonesia, salawasna deuih kedah diadumaniskeun kalawan jeni- us, atanapi di elaborasi, disumbang- keun ka republik, lain waé dina widang budaya, tapi ogé widang ékonomi, sosial, cara hirup sauyunan jeung saja- bana,” ceuk Jumhur Hidayat nu ogé ngarasa penting urang Sunda maheut- keun deui sual regenerasi. 6 Manglé 2439 Para pangurus Paguyuban Pasundan ti saban daérah, maheutkeun jati diri Sunda nu leuwih makalangan H. Ahmad Heryawan, Lc., Gupernur Jawa Barat; Nganti Presiden atawa Wakil Presiden teureuh Sunda
  7. 7. Manglé 2439 7 Nyoréang Léngkah ka Tukang Mun ngoréhan dokumentasi Paguyuban Pasundan, bakal bréh pamianganana téh jinek naker. Aya tu- juan anu écés, merangan kokoro jeung kabodoan. Upaya kitu terus natrat nepi ka kiwari, najan ahirna mah nu leuwih témbong écés téh dina widang atikan. Sahenteuna kiwari Paguyuban Pasundan téh boga 114 sakola jeung 4 paguron luhur, nya éta Universitas Pa- sundan, Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi (STIE) Pasundan, Sekolah Tinggi Ke- guruan dan Ilmu Pendidikan (STKIP) Pasundan, sarta Sekolah Tinggi Hukum Pasundan (STH). Ti mimiti éta lembaga diadegkeun taun 1930-an, saur Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si. geus loba nga- hasilkeun alumni nu makalangan dina rupa-rupa widang. Mun ditataan, moal susah néangan contona. Misalna waé, manten Wakil Presiden Umar Wira- hadikusumah jeung Rektor ITB man- ten, Prof. Doddy Tisna Amidjaja. Ngaliwatan widang atikan, Paguyuban Pasundan satékah polah ngajaga ‘kalanggengan’ ajén-inajén budaya Sunda anu soméah jeung toléran. Lian ti kitu, ogé satékah polah nyiptakeun insan Sunda anu pinunjul keur ngokolakeun bangsa jeung na- gara. Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si. engeuh pisan, yén tingkat atikan masarakat Jawa Barat téh can pati ngagumbirakeun. Di tingkat nasional, pendidikan Jawa Barat mémang teu panghandapna, tapi ogé teu pang- luhurna. Kanyataan kitu téh matak prihatin, lantaran Jawa Barat téh nam- peu ka ibu kota. Atuh, lian ti kitu, lem- baga-lembaga atikan kaasup paguron luhur panghadéna téh loba pisan di Jawa Barat mah. Saterusna, ieu pupuhu umum Paguyuban Pasundan nétélakeun, reueus kacida upama aya nu nyebut- keun urang Sunda téh jalma-jalma palinter, ngabogaan ‘karya enerjik’, jeung pasipatanana soméah. Ngan aya deui nu kudu dirobah, di antarana waé, pasipatan nu salila ieu teu ném- bongkeun kahayang urang Sunda muncul ka hareup. “Di Sunda, aya kekecapan ulah goong nabeuh manéh. Ku lantaran kitu, urang Sunda mah bangun nu sungkan némbongkeun manéh. Nu kawas kitu, kudu robah. Urang Sunda nu boga kamampuhan kudu témbong, kudu meunang kaper- cayaan ti nu séjén,” pokna tandes. Milangkala Sa-Abad, Lain Saukur Ngedalkeun Kasono Acara milangkala sa-Abad Paguyuban Pasundan geus lekasan. Natrat ninggalkeun tapak geusan mageuhkeun patékadan urang Sunda nu leuwih makalangan. Atuh masarakat Sunda nu daratang ti saban daérah kaasup urang Sunda di saban provinsi jeung saban mancanagara, seja maheutkeun deui sumanget ka- sundaan nu leuwih ngajénan jati di- rina. Sumanget Paguyuban Pasundan nu geus nicak sa-abad, mémang jadi cicirén urang Sunda sangkan beuki teuneung beuki ludeung. Ku kituna, acara milangkala sa- Abad Paguyuban Pasundan, mémang boga ciri mandiri. Atuh nu haladir ogé euyeub naker, boh para inohong boh masarakat Sunda. Saperti Kang Tjetje Hidayat Padmadinata, H. Uu Ruk- mana, Rano Karno Wakil Gupernur Banten, Komjen Pol (Purn) Adang Daradjatun, Prof. Dr. H. Nanat Fatah Natsir, Moh. Jumhur Hidayat, Burhanuddin Abdullah, Wakil Guper- nur Jawa Barat, Deddy Mizwar, May- jen (Purn.) HR. Nuriana, Tubagus Hasanudin Happy Salma, jeung para inohong séjénna. Kitu deui, haladir ratusan para pangurus Paguyuban Pasundan ti saban daérah, boh ti saban kota/kabu- paten di Jawa Barat, boh ti saban paguyuban provinsi jeung mancana- gara. Upama waé ti Paguyuban Pasun- dan Bali, Lampung, ogé Paguyuban Pasundan Melbourne Australia, Jepang, Amerika ogé ti Berlin Jerman. Teu kaliwat, ti kalangan generasi ngora, saperti para siswa, mahasiswa ti saban daérah nu aya dina lembaga atikan pasundan, milu aub ngeuyeuban saban acara. Lian ti loba nu haladir, acara ogé direuah-reuah ku pintonan seni, boh di jero gedong Sasana Budaya Ganesha (Sabuga) boh diluar gedong. Saperti karinding, toléat, borangan, kacapi modern, ogé mintonkeun seniman sunda, nu kakoncara di mancanagara saperti Rita Tila, Devi Supriyatna, ogé Yadi Cahyadi (Piteuk) jeung nu seni- man séjénna. *** (tim manglé) Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum PB Paguyuban Pasundan Moh. Jumhur Hidayat; miharep Paguyuban Pasundan leuwih nguatan bangsa jeung nagara
  8. 8. Ano Karsana Diwontid Kuda jangkung buntut gomplok Nu tumpak tanding gagahna Mapaykeun gambar diwontid Sugan aya nu sindang ka lembur Labas ka basisir. Rampog gerot Mangkék beuheung Koboy Itali baju rarawis nyari Tapis ngabedil runtuyan pati Diudag sherif nepi ka Parigi Ngadon minggat ka Cijulang Ngalengo ka Grand Canyon Sherif neges-neges gambar nu mupujuhkeun imut jeung légég rapang ngajagrag paséséréd kabuntang-banting angin Ngakur-ngakur potrét nu keur diwontid Bisi aya nu sarimbagan. Atawa nu mubus nyamuni Pager ayu pager bagus Ngabagéa réa pangréka Sherif turun tina kuda bari tabé. Najan gambar Raray konéas teu suda ditelek-telek Raksukan rawing geus rawun Digaléntor panonpoé diangiran ku cai hujan Pasoléngkrah gantar awi Diawut-awut rampog gerot suwung. Sherif terus laju Ngagedigkeun kuda jangkung Buntut gomplok. Labas parat ka Cijulang Ngalongok Grand Canyon di Cukang taneuh 14-25 Pébruari 2009 Sumedang – Darmaraja Sapaparat jalan pakebonan Paré huma rahray konéng Kanyaah dumuk mupusti kahéman Pauntuy-untuy harepan Diaseukkeun binih paré giriwangi Di tegalan kadeudeuh Tangkal jagong sisi heuleuran Kacang panjang diwidian meulit turus malar weweg tangtungan Muuhan liang aseukan Teu kalis dipacok pamatuk tikukur Jeung saabrulan galatik bulu kulawu Rupaning angin ateul dihéboskeun ku nu culika sangkan paré jocong hapa dihanceng wereng Nu tunggon mah anu tunggon Manco inggis haté digareuwah hama Piit usil nyamuni nyisil ranggeuyan Nu geus panceg satuhu: jungjunan! Titip ati-ragawi mung ka Gusti Moal deuk rumpang-reumpeung Geusan satuhu Paré huma rahray konéng Ranggeuyan beubeurat sangga Kapibuatan ngajadi Asih Teu incah balilahan 10-3-2009 Manglé 24398
  9. 9. P aling henteu keur bangsaning nu karolot mah sigana masih wanoh kana babasan atawa paribasa “Ngeunah Éhé Teu Ngeunah Éon”. Ngan hanjakal keur nu ngarora, sakumaha karéréanana babasan jeung paribasa di urang geus laleungitan acuanana. Sababna mah tangtu waé aya pakaitna jeung parobahan ti waktu ka waktu anu teu bisa dipungpang ku urang Sunda. Ku parobahan téa urang hamo bisa nadah, kaasup pangalaman jeung pangawéruh ti batur. Teu héran mun saha jeung urang mana ari Éhé jeung Éon teu pati kalamot ku patlot. Katambah deuih apan urang mah masih kandel ngandelkeun tradisi lisan, anu nyin- dekel kana euceuk jeung cenah. Nya cindekna mah urang teu bisa nginget- nginget sakur pangalaman jeung pangaweruh nu geus kaliwatan atawa kaalaman baheula. Tapi kétang, cék kolot téa mah genténg-genténg ulah potong. Lan- taran teu kabéh ngandelkeun inge- tan. Apan aya waé najan saeutik-eutikeun nu nulis ngeunaan Éhé jeung Éon. Urang bisa meunang gambaranana tina Kamus Basa Sunda Sacadibrata (2005), Kamus Basa Sunda RA Danadibrata (2006), jeung Ensiklopedi Sunda (2000). CékSacadibrata,“Éon,ngaranbodor réog tukang licik. Dina waktu ngadu domba (dodombaan) kieu pokna ka baturna (ngaran Éhé), “Lamun domba Éon meunang. Éon kudu digandong ku Éhé, tapi lamun domba Éon éléh, Éhé kudu ngagandong Éon.” Kitu asalna nu matak aya babasan: Ngeunah Éon teu ngeunah Éhé.” Ari cék Danadibrata, “Éon ngaran bodor réog di Bandung anu katelah ogél Éon jeung batur ngabodorna ngaran Éhé; n.k. taun 1942 réog Éon masih aya jeung masih kasohor, ari tempatna di Désa Cilampeni Ban- dung; par.: ngeunah Éhé teu ngeunah Éon atawa sabalikna: ngeunah sora- ngan” (2006: 185). Sedengkeun cék Ensikopedi Sunda, “Ehe dan Eon adalah nama panggung dua pemain Ogel pada perempat pertama abad ke-20 yang sangat terkenal di Priangan, sehingga lahir peribahasa "Ngeunah Ehe teu ngeunah Eon" (Enak Ehe, tidak buat Eon). Ehe dan Eon dalam pertunju- kan selalu mengadakan pertandingan dengan ketentuan: Kalau Ehe menang, Eon harus menggendong Ehe, dan kalau Eon menang, Ehe harus digendong oleh ion. Tidak diketahui siapa nama Ehe dan fion sebenarnya” (2000: 210). Cindekna éta tilu sumber pustaka téh nyebutkeun yén Éhé jeung Éon hirupna jeung kasohorna dina abad ka-20, pangpangna parapat mung- garan abad ka-20. Di sagigireun éta, sorangan manggihan katerangan tina buku Pesta Sakola Radja di Bandoeng (1916) karya R. Kartadinata, nu ditulis pikeun miéling 50 taun ngadegna Sakola Radja (1866-1916). Péstana lumangsung ti 30 April nepi ka 2 Méi 1916. Cenah gé, “Dibaroeng ogél ki- wari/ogél Eon kaoem moeda/éta ogé langkoeng anéh/kamashoer ka mana-mana/Eon anoe kontjara/wa- jang golékna sapanggoeng/Karta ngaran Ki dalangna” (Pada ka-12, 1916: 3). Atuh béh dieu, H. Achmad Roes- tandi nulis mémoar ngeunaan Éhé jeung Éon (“Sawab Bang Eon”) anu dimuat dina buku Masuk Letnan, Keluar Letnan: Sisi Jenaka Pengem- ban Dwifungsi ABRI (Republika, 2009: 1-2). Cenah, “Pada tahun 1940, uwak saya (kakak bapak saya) yang menjadi lurah Desa Baros menggelar (nanggap) Bang Eon dalam rangka pesta khitanan anaknya. Bisa jadi bukan Bang Eon yang asli, tetapi Bang Eon Muda, penerusnya. Namun kejenakaannya tidak kalah dengan pendahulunya. Ibu saya yang sedang mengandung 40 hari sangat menikmati lawakan yang disuguhkan Bang Eon.” Tina Ensiklopedi Sunda aya tam- bahan katerangan. Di dinya aya katerangan yén ahli Jenaka Sunda Mang Utun nu ngaran aslina Udju, urang Ciwaru, Lebakwangi, Ban- jaran, Kab. Bandung, dina taun 1951 kungsi diajar ogél ka Éon Muda (Ganda) ti Cilampeni, Olas dan Étjlé (Mang Éhé), Odik Sadikin bodor ogél ti Panyeuseuhan, Gang Halteu, Mang Enur, (Didi) bodor ogél dari Cimarémé Padalarang, Ibro bodor ogél Sukamanah, Andir, jeung Mang Onyon (Indeung) pamaén ogél Ci- buntu (2000: 399). Saha atuh ari Éhé jeung Éon? Nu écés mah duaan téh ngaran panggung pamaén ogél. Lantaran cék Ensiklo- pedi Sunda (2000: 548), “Para pe- main reog biasanya memakai nama panggung yang lucu-lucu seperti Uceng, Tunggeu, Eon, Jeler, dll. Pada waktu mengadakan pertunjukan mereka saling sapa dengan nama panggung itu, kecuali dalang yang biasanya disebut sebagai ‘Pa Dalang’”. Jadi, kasohorna ogél Éhé jeung Éon numutkeun katerangan nu geus kakumpulkeun di luhur mah antara 1916-1951. Bisa jadi deuih nya antara mangsa harita mekarna paribasa “Ngeunah Éhé teu ngeunah Éon téh.” *) Éditor di majalah géologi po- pular Geomagz, ilubiung di Pusat Studi Sunda (PSS) Ngeunah Éhé Teu Ngeunah Éon Ku Atep Kurnia Manglé 2439 9
  10. 10. 10 Manglé 2439 Bagian 170 P ipikiran Komaruja- man, mémang waras kénéh. Inge- teun pisan peuting tadi téh aya awéwé nu mare- ngan saréna. Lain, lain ngimpi, da sidik di kieu- na. Matak, hudang subuh-subuh téh, lang- sung ngoréjat, luak-lieuk ka sabudeureun éta tem- pat. Waktu nu ditéangan teu tembong, gorowok wéh manéhna ka nu nga- jaga. Puguh wé nu nga- jaga téh héraneun waktu dununganana nanyakeun awéwé téh. Lantaran, nu ngajaga mah teu nempo jalma sejen, lian ti Komarujaman. “Istri nu mana atuh nu ku gamaparan di taroskeun téh?” “Heueuh nu tadi peutng aya di dieu!” “Ih, da teu aya sasaha ti wengi kénéh ogé.” “Wah, bohong siah!” Komarujaman asa di- ulinkeun. Ku lantaran kitu, nyel ambek, sarta ahirna mah, nu ngajaga téh ditongtak dicabokan, terus ditonjok nepi ka ngudupung! Najan ampun-ampu- nan, teu dianggap. Malah ahirna mah, nu ngajaga téh digejeburkeun ka sumur. Atuh puguh we, lian ti reuwaseun téh oge nepi ka ngadégdég, da tiris jeung sieun deuih. Peuting ka -190 Nu ngajaga satekah polah hanjat ti sumur. Ngan, teu bisa da taya puntanganeun. Ahirna, ngagorowok ka Komaru- jaman menta tulung di- hanjatkeun. Pok manéhna nyarita, cenah, hayang ganti baju sarta mun geus disalin mah rék nyaritakeun perkara nyi mojang téa. Komarujaman per- cayaeun. Eta badéga téh ditulungan deui sina hanjat ti sumur. Horéng, omonganana téh ngan akon-akon, da buktina mah, satutas ditulungan, manéhna lain disalin, da puguh teu aya salin di dinya mah. Nu ngajaga langsung muru istana bébéja ka raja. Nu rék dideuheusan, mémang keur nyarita- keun perkara anakna deuih. Raja Syahraman keur nyaritakeun Komarujaman ka mant- rina. Intina mah, ngarasa hariwang ku anakna, sieun kumaha onam. Da, ngerem anakna di pan- jara téh lain ngéwa, tapi bakating ku nyaah, sangkan anakana salamet tinemu bagja. Keur anteng cacarita, badéga nu biasa ngajaga ngaronghéap, ngabéjaan aya nu rék ngadeuheus. Satutas meunang idin, nu ngajaga panjara téh ngadeuheus. Atuh, puguh wé raja gé hera- neun naker ningali nu anyar datang dina kaayaan kitu peta téh. Gorolang nu ngajaga panjara nyarita. Ngadongengkeun sagala rupa nu karandapan ku dirina jeung nu tumiba ka Komarujaman. Dina tungtung caritaanana, nu ngajaga téh nandeskeun, yén Komarujaman téh siwah. Ngadéngé caritaan kitu, sajongjongan mah raja ngahuleng. Ras kana paripolahna sawatara waktu ka tukang, aya rasa hanjakal nu ngancik dina haténa. Leuh, palangsiang, anakna nu ngan hiji-hjinna téh teu bisa diandelkeun ngurus
  11. 11. Manglé 2439 11 karaharjaan mangsa jaga. Haben raja mikir. Ngan, ahirna mah, kalah gantawang wéh ka mantrina. Cenah, pangna anakna jadi kitu téh, lan- taran mantrina nu nyarankeun anakna di- panjara. “Jadi, kumaha tang- gung jawab anjeun ayeu- na!” ceuk raja nyentak ka mantrina. “Pangapunten, sa- teuacana terang kana ka- jantenan nu saleresna, widian sim kuring mendakan putra gam- paran!” “Heueuh pék tingali ku sorangan!” Jung mantri indit. Langsung muru pang- bérokan Komarujaman. Di tempat nu dituju, kasampak putra raja téh lajag-léjég ngagambar- keun kaguligah haténa. Sanggeus adu hareu- pan, mantri langsung cacarita. Mimitina nanyakeun sual kaseha- tan Komarujaman, saterusna, nanyakeun perkara nu di- dongéngkeun ku panjaga panjara ka dirina. Ngadéngé caritaan kitu, Komarujaman ném- pas. Pokna téh, mantri teu kudu loba carita. Di- rina geus apal, yén nu ngajaga jeung mantri téh sapongkol nyumputkeun awéwé nu dipikameumeutna. Peuting ka-191 Ngadéngé omongan Komarujaman kitu, mantri téh yakin, éta anak raja téh kaganggu ingetanana. Leuh, mun enya kitu, ceuk pikirna, dirina gé kabawa dosa, lantaran enya pangna diberok gé sasat dumasar kana saran dirina. Mantri ngayakinkeun Komarujaman, yén titin- galianna jeung nu kaamanana téh ukur rarasaan, ukur ngimpi nu lain kanyataan. Tapi, ngadéngé omongan kitu téh, Komarumajan beuki ngarasa diulinkeun. Nyel ambek, mantri téh da puguh geus kolot dicerek lebah beuheungna téh teu bisa majar kumaha. Ceuk pikir Komaru- jaman, mantri téh sapongkol jeung raja, nguji dirina nu tuheula nampik dikawinkeun. “Ayeuna kula sadar, malah kacida hayangna geura-geura ngawangun rumah tangga jeung wanoja nu peuting tadi aya di dieu,” pokna. “Tos atuh leupaskeun mamang. Da, saleresna mah, paman mah darma piwarangan!” Omongan kitu, dianggapna ku Komaru- jaman mah bener, yen wanoja nu kungsi aya gigireunana téh ngahaja keur nguji dirina. Atuh, geus kitu mah, sot wéh panyekek téh dile- sotkeun. Paroman putra raja robah jadi marah- may. Najan bingung, mantri teu burung meu- nang akal. Cenah. Mun enya Komarujaman robah pikiran tina em- bung dikawinkeun jadi daék, hartina pasualan nu tumiba ka Komaru- jaman téh téréh réngsé. “Cindekna, kula geus sadia dikawinkeun ka wanoja nu tadi téa!” Mantri amitan! Haténa mah seuri, bu- ngah jeung sedih pacam- pur. Bungahna, bisa salamet tina panyiksa anak raja. Ari sedihna, lanataran tétéla, Komarujaman téh ilang akal! Kitu, ceuk pikiran mantri. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2439 A gan Lilis, eukeur mah aya turunan ti in- dung, di tambah ku warahan Nyi Dampi, atuh ka Nyi Rapiah téh cara ka taneuh porang, diemplé- emplé bawaning hirup, rék dijieun mumundingan rék dijieun jejelemaan gé Nyi Rapiah téh geus kakeupeul ieuh. Talunganan basa ngagerejud Néng Salamah, olok-tombokna gé sabaraha lawé pérakeun, malah basa ngeureuyeuh Néng Sinta mah baé jadi urusan pulisi, hadéna Lilis rikat “némpél” mantri pulisi, nepi ka perkarana teu katutuluyan. Waktu Nyi Piah datang, di imah téh teu aya sasaha, jadi Nyi Piah teu éra teuing jolna. Ku Lilis dituduh- tuduhkeun tah ieu kajuaran, tah ieu patengahan –pohara bereresna téh- tah ieu paranti ngamandian anu ménta asihan ti “ibu”, jeung jaba ti éta. Ari Nyi Dampi harita keur di pangkéng, duka teuing keur naon; kakara némbongan sanggeus Nyi Rapiah merenah di patengahan, paranti narima tatamu. Pribumi duanana gepyak pisan narimana sémah téh. Teu lila jol Nyi Munigar, meunang midang sataker tanaga. Barang gok jeung Piah, pohara bangun sonona: “Aéh-aéh, sam- borong teuing halodo, si- horéng bakal aya béntang Bandung murag. Iraha Piah ka dieu? Asa geus lila teu papanggih, nya, da éta Piah tara ulin ka Aceuk.” Nyi Piah aya éra aya atoh, pok ngawalon: “Euleuh Aceuk, paingan kuring hayang ka dieu, sihoreng pangulian érmawar Ban- dung di dieu téh, nya!” Opatan ngariung silih témpas, pogot pisan. Sabot kitu Nyi Dampi mah ngoléséd, teu lila Lilis mundur mapulia, kari Nyi Piah jeung Nyi Munigar, jiga teu karasaeun yén ditaringgalkeun. Ceuk Nyi Rapiah: “Aceuk téh sering ka dieu téh?” Nyi Munigar: “Rajeun ogé, lamun, aya nu néang ti dieu, naha kitu?” Nyi Rapiah : “Tah kieu- kieu. Ari Akang terangeun Aceuk sok ka dieu?” Nyi Munigar: “Beu, atuh terangeun mah matak guj- rud meureun. Pabisa-bisa baé éta mah. Awéwé mah kumaha diajakna ku lalaki. Mun lalaki manglacurkeun mangédankeun, bet naha urang kudu daék baé dijieun purah ngalaan tulak? Da akangna maha ya aturan balik ti kantor téh lain ka imah, kalah léos ka pamogoranana. Saha nu teu panas geura? Ari ku urang dihuit, diélingan, kalah rék nampiling. Urang ménta disérahkeun, kalah ngancam arék nambang. Dahar Aceuk téh kudu, balanja tara dibéré, da duit dijieun pawit, arék kumaha, geura? Manasina cara Piah, teu ti lalaki gé aya Abah Haji, barang ninggang cara Aceuk? Rék ménta, ménta ka saha?” Satuluyna éta dua awéwé téh uplek pisan ngawangkongna, eureun sotéh dumeh Nyi Dampi asup, dituturkeun ku lalaki duaan, katara dina dang- danan, jelema baleunghar. Mungguh jalma anu dipuuk ku bingung, dirajah kasusah, sok dibéré héngkér haté, babarian kabawa sak- aba-kaba. Komo lamun boga bakat henteu pengkuh, sok pondok pikirna, hadé goréng kuma engké, asal bisa udar tina kasusahan. Nu keur bingung heug kapanggih ku nu burung, dibabawa sasab, nu bingung téh ngeunah baé, malah boga rasa asa di- tulungan. Pikirna téh keur ka- paider karusut, ku perbawa susah, teu nolih lempeng jeung sérong, mun dahar mah teu ngarasa dibaruang. Geus sakali Nyi Rapiah ngarasakeun ngareunahna baretah tur pinuh ku kabungahan di imah Nyi Dampi, bet kawas nu ngasaan madat. Dua kali, tilu kali, nepi ka teu karasa paitna, teu karasa matak lieurna, madat téh karasana asa ubar panglipur lara. Nyi Rapiah ogé nya kitu. Mimitina mah maké bibi- rigidigan sagala bari teu { 9 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2439 13 patot istigpar di jero haté. Dua kali leungit éra, ka tiluna asa lumbrah baé, satuluyna mah nepi ka boga rasa, yén unggal ulin ka Nyi Dampi, unggal asa pangan- tén anyar deui. Ari balik copélna salawé pérak mah tara teu ngeupeul (leuwih gede batan gajih juru tulus sabulaneun alam harita), mangkaning ka nu geulisna pantaran Nyi Rapiah mah lalaki téh wanieun “ngalélang”. Ari seug di imah; teu aya pisan kahégaran, mun seug pantona disarigsig beusi mah, teu béda ti pang- bérokan, euweuh batur ngomong-ngomong acan. Ana rajeun aya nu haharé- wos... iblis! Ari Nyi Dampi, centeng gérot gé atuh lain mun teu bisa nahan harga téh. Batur mah, nu “marurah” cara Nyi Salamah, Nyi Sinta, Nyi Edah, Nyi Naon-tea-deui da réa ieuh, boh léngoh boh boga salaki, sasatna diobral, saha baé nu nawar, ditéangna gé méh unggal poé. Tapi Nyi Rapiah mah, mun kana barang téa mah bisi téréh rusak, ditéangna gé pangseringna saminggu dua kali, kitu gé lamun Nyi Dampi panuju ka “nu pesen” ngora kénéh, kasép, royal. Kakara ngeugeupan R 10,- baé mah, ku Nyi Dampi semet diasongkeun Nyi Julé, mun samping mah geus deukeut kana lalayu sekar ngan beunang batikanan jeung morina awét. Tapi aya bédana antara Nyi Rapiah jeung awéwé séjén nu sok senang-senang di imah Nyi Dampi téh, nya éta ieu: Nyi Rapiah téh bakatna mah calakan, utekna éncér, pikirna nyaring; cacadna téh béngbatan. Jalma calakan ari hirup katutup, atuh akalna teu motékar. Tapi ayeuna, sanggeus cara kuda leupas ti gedogan, deuleuna mimiti lega, ditambah ku resep tatanya. Atuh teu matak héran, najan jadi “bangor” gé pangartina nambahan, babakuna ti Anom Luih, kahadéanana nu pohara asihna. Rupa- rupa urusan anu dina jaman harita awéwé bangsa urang biasana buta-tuli, Nyi Rapiah mah térangeun. Ana heug ditambahan ku gedé haté, pangaruh kabeungha- ran –boga bapa jegud- atuh puguh baé jaba ti undak pangarti téh wawanén gé nambahan, malah deukeut- deukeut kana nguntup. Eu- keur mah geus lumbrahna, awéwé bangor sok “luas” perbawa kurang kaéra heug diluangan ku “kabogoh” nu sakitu asihna. Cindekna, Nyi Rapiah nu baréto campieul téh ayeuna mah jadi sona- ngar tur jembar panalar. Ari “barudak” arulinna di Nyi Dampi téh biasana ti pukul 9 atawa 10 nepi ka liwat tangange, jadi di imah geus bébérés, datang ka imah laluasa kénéh waktu; dahar nyampakkeun salaki mah, anggeus ku meuli ti warung, jiga heueuh, di- wadahan dipiringan, kawas nu jolna ti dapur, da sawaréh mah enya dihaneutkeun heula. Salaki datang, dahareun geus nyampak, malah aya nu ha- neut kénéh, hawu katara se- uneuan, pamajikan rada kusut jiga nu enya ti isuk di dapur. Ari baju, samping, selop, beubeur, karémbong urut tadi ti “Ibu Empi” mah geus peren, teu aya urut- urutna tas nyaba. Duka sabaraha puluh salaki anu dibobodo sarupa kitu ku pamajikanana, gara- gara pikal comblang jahat model Nyi Dampi. Mangkaning lain ngan Nyi Dampi baé nu kitu téh, réa nu leuwih jahat tur leuwih demit peta-petana. Ari geugeuleuhna, ku urang luar diteumbleuhkeun ka urang Bandung kabéh, dihurun- suluhkeun, dihompét- daunkeun. Ari ras ka dinya, cék saha dunya adil? Nu teu mais teu meuleum kudu kababawa. Duka Nyi Rapiah eukeur dibéré jaya ku sétan nu ngusapna, duka Aom Usman keur diparabun ku jurig Ganggaong, salaki téh geus sakitu lilana bet acan ngarasa kaleungitan pamaji- kan. Saperkara duméh carang jeung teu pasti kilirna, ka duana, ana pareng kilir téh sok kabene- ran Nyi Rapiah keur aya. Pangakuna éstu soméah, tetep gumusti, teu meueus- meueus acan aya semum anu mangnyolowodorkeun salaki. Atuh Usman bureng pisan terangeun monyet ka- papingan jagong, yén Nyi Rapiah osok pat-pat-gulipat, salaki indit pamajikan lumpat. Padahal lamun Usman bener sarta samistina mihukum Nyi Rapiah; ulah didau, di- imahan, dibalanjaan, diwa- jiban, dijatnikaan, tantu Nyi Rapiah gé tetep satia sa- tuhu, malah gumusti sakumaha ilaharna awéwé somahan jaman harita anu aya kadar dipibojo ku ménak. Atawa, dibéré omong nu puguh, mun ditalak sing puguh ragragna, mun disérahkeun sing karuhan ikrarna, ulah diganggayong bari dinyenyeri. Ari éta dahar-paké angger baé malah jiga tam- bah lingsig, beungeut tam- bah cahayaan najan tara dibalanjaan ogé, ku Usman geus dimeureunkeun baé, moal teu ti bapana, haji beunghar ieuh! Cindekna Nyi Rapiah téh pohara demitna, boh salaki, boh kolot, boh baraya teu aya nu terangeun. Rasana asa buni! Padahal, piraku Rabulalamin teu uningaeun? Lampah goréng, najan teu kacangking ku pulisi, najan teu kapariksa ku jaksa, tapi moal leupas tina hukumullah, terkadang sok dihukum ku dirina pribadi kénéh. (hanca)
  14. 14. S anajan bulan Romadon 1434 H tos ngantunkeun urang sa- daya, tapi ari tatapakan saban kagiatan kaagamaan mah tetep kudu natrat. Malah mandar, oléh- oléh Romadon téh geusan jadi bekel keur ningkatkeun ajén ibadah ka Gusti nu saripatina aya dina bukti katakwaan ka Gusti nu Maha Kawasa. Rupa-rupa kagiatan kaagamaan salila bulan romadon ogé, boh di majlis-majlis ta’lim, boh di kula- warga, mémang loba nu nineung jeung meungkeut kasono, pang- pangna nu patali sareng ajén kagiatanana. Kituna téh saperti nu diayakeun ku majelis ta’lim Al- Hikmah nu dipupuhuan Hj. Tati S. Hartati, dina kagiatan Pekan Ca- haya Al-Qur’an nu harita dilak- sanakeun di Parahyangan Convention Hall, Hotel Horison, Bandung salila lima dinten ti ping 10-14 Juli 2013. Nurutkeun Ibu Hj. Tati, kagiatan Pekan Cahaya Al-Qur’an mémang mibanda tujuan nu lain ukur di- pikabutuh saharitaeun, tapi nu bakal dipikabutuh geusan nungtun hirup salawasna. Kituna téh luyu sareng pidawuh Alloh nu di- tandeskeun dina al-Qur’an surat Ibrahim, nu nandeskeun, yén Al- qur’an nu dilungsurkeun ka Kang- jeng Nabi Muhammad SAW, sangkan manusa nu tadina poék jadi caang luyu sareng rido Alloh Swt. Malihan ébréh pisan, dina surat al-Baqoroh, diunggelkeun Al- Qur’an téh teu aya cangcayana, éta téh minangka pituduh keur jalma- jalma nu tarakwa. Lantaran Al-qur’an jinek pisan minangka pituduh manusa nepi ka poé ahir, atuh ngaguar al-Qur’an ogé ulah semet cangkangna wungkul, tapi kudu apal nepi kana eusina sarta mampuh nga- larapkeunana. Kumaha eusina jeung cara ngalarapkeunana? Sadayana kaguar dina kagiatan dina Pekan Cahaya Al-Qur’an nu nyumpingkeun Pekan Cahaya Al-Quran Nungtun Hirup di Satiap Jaman 14 Manglé 2439 Pekan Cahaya Al-Qur’an, keur nyaangan lalampahan hirup
  15. 15. sababaraha narasumber diantarana ti Ustad Abu Marlo. Alloh nu Maparinan Kasaéan Dunya Ahérat Manusa nu hirup di alam dunya pasti boga cita-cita hayang tinemu sareng kabagjaan tur sabalikna ho- yong dijauhkeun tina rasa tunggara atanapi cilaka. Dawuhan Alloh, Lafatahna ‘alaihim barokatim mi- nasyama’i wal-ardi. Heug baé, Alloh bakal nurunkeun barokah hirup ti langit jeung ti bumi. Tapi, poma nu bakal meunang barokah mah, nu bakal bagja mah, nyaéta nu walao aamanu wattaqao, nu iman jeung nu takwa. Sedengkeun upama an- jeun hayang bagja, tapi buktina kaddabu, ngabarohong, ngabalieur tina ayat-ayat Alloh Swt. faahod- nahum biima kaanu yaksibun, ulah ngarasa hanjakal, ulah ngarasula lamun ditibankeun siksa nu kacida peurihna. Ieu papagon hirup, saéstuna jén- tré aya dina Al-Qur’an surat Al-Araf ayat 96. Ku kituna, kagiatan Pekan Cahaya Al-Qur’an mangpaat kacida. Lantaran kitu, nu sarumping harita gé apan ti saban tempat. Malahan, pekan cahaya al-Qur’an nu di- alpukahan ku majlis ta’lim Al- Hikmah, neundeun harepan ti para mustami. Di antarana waé ti Prof. Dr. Ietje Marlina, M.Si. nu teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt. ku wasilahna aya kagiatan Pekan Cahaya Al-Qur’an. Nurut- keun Prof. Ietje, kagiatan medar eusi Al-Qur’an tur diajar cara ngalarapkeunana, kacida mang- paatna. “Mudah-mudahan pekan cahaya Al-Qur’an tiasa maneuh di- ayakeun tiap sasih Romadon. Mali- han ka payun mah, mudah-mudahan kénging pang- rojong ti pamaréntah satempat,” saurna. Para mustami dina saban poé salila diayakeun kagiatan, teras beuki seueur. Kituna téh lantaran, mémang umat muslim kacida sumangetna diajar Al-Qur’an, malah henteu pareum sanajan ka- giatan geus réngsé. Kituna saperti nu ditétélakeun ku salasaurang mustami harita, Prof. dr. H.M. Sambas Wiradisuria, Sp.AK, panga- rang buku ‘Kakuatan Do’a dalam Al-Qur’an. Nurutkeun Prof. Sam- bas, ayana kagiatan Pekan Cahaya Al-Qur’an éstuning ageung mang- paatna. Komo sadirieun mah, éstu asa kagunturan madu kaurugan menyan putih. “Bingah kagiri-giri, pribados parantos ngiring ulubiung dina pekan cahaya al-Qur’an anu maksadna supados paham kana kandungan Al-Qur’an utamina kanggo generasi ngora keur ngawangun bangsa,” saurna tém- brés naker. Ku kituna, saur ieu panaratas Perhimpunan Bioetika jeung Humaniora Indonesia téh, mudah- mudahan Romadon taun payun tiasa tepang deui, tiasa diayakeun deui. Pekan Cahaya Al-Qur’an lain saukur bukur tanpa catur. Ku kitu- na, oléh-oléh kagiatan kudu bukti dilarapkeun dina hirup sapopoéna. Lantaran urang hirup di alam dunya téh, kedah nyandak bakal sa- hadé-hadéna kanggo di alam jaga. Naon bekel éta téh? Teu aya deui, upami dipundut mulih ka jati mu- lang kaasal bekel, nya bekel amal ibadah nu luyu jeung pituduh Alloh nu diébréhkeun dina Al-Qur’an. Lian ti harepan ahli kadokteran jeung akademisi, ogé ti kaum wanoja nu tos kawéntar, saperti Mellia Mia. “Kacida reueusna tiasa ngiring ngaos di acara Pekan Ca- haya Quran, seueur pisan mang- paatna. Acarana ogé euyeub pisan. Mudah-mudahan tiasa diayakeun saban taun,” saurna. Kitu deui, saurna dr. Andrea Nistiana, Pekan Cahaya Al-Qur’an, matak reueus tur narasumber nu ahli diwidangna. “Nerangkeunana ogé mundel pisan, diajar Al-qur’an ogé langkung ka- hartos,” saurna Bu Dokter téh. Lantaran Al-qur’an mangrupa pituduh hirup keur salawasna, atuh diajarna ogé kudu sagemlengna. Nurutkeun Ranie Untara mah, kan- tenan saréngséna ngiringan ka- giatan Pekan Cahaya Al-Qur’an, mudah-mudahan urang sadaya tiasa teras diajar, tiasa ngamalkeun ogé tiasa ngada’wahkeun ka balaréa. *** Manglé 2439 15 Hj. Tati S. Hartati, pupuhu Majlis Ta’lim Al-Hikmah Prof. dr. H.M. Sambas Wiradisuria, Sp.AK. Ranie Untara
  16. 16. Hak Waris keur Istri Kadua Patarosan: Tumaros, ngeunaan bab waris kanggo istri kadua atanapi pameget nu ngawayuh. Naha istri anu kadua sareng putra-putrana kenging hak waris? Saupami sami, kénging sabaraha bagianana? Sakitu, hatur nuhun kana waleranana. Ibu Evi Ti Cianjur Waleran: Seueur nu naroskeun masalah faraidh atanapi hukum waris. Di antawisna nu naros memang nu jejerna sapertos nu ditaroskeun sakumaha di luhur, ti istri anu kadua. Numawi kitu, urang waler deui wae, bilih diantawis pa- maos Mangle edisi nu kapengker teu acan maos, atanapi Mangle edisi nu sami naroskeun, tos ditamutkeun ka wargi nu sanes. Dina hukum Islam aya nu namina élmu waris atanapi élmu “Faraidh”, nyaéta élmu nu ngajelaskeun cara-cara ngabagikeun harta waris atawa harta titinggal jalmi anu ngantunkeun. Anapon masalah waris ieu dina ajaran Islam parantos ditangtukeun kalawan jelas atanapi kalebet ijbari, boh dina Al-quran boh dina Hadits. Tapi keur umat Islam nyalira, dina buktina mah, loba nu ngapopohokeun hukum waris atanapi naringgalkeun nepi ka em- bung diajar hukum waris. Hal ieu luyu sareng pidawuh Rosul: “Prak aranjeun dialajar élmu faraid (élmu cara ngabagi harta waris), jeung ajarkeun ka jalma- jalma lianna. Saéstuna élmu faraid mangrupa bagian tina élmu anu mimiti gampang dipopohokeun, jeung mimiti dileungitkeun (teu dirarapkeun) ku umat kami.” (HR. Dar al-Quthni). Lajeng perkawis patarosan di luhur ngeunaan jalmi anu ngawayuh, saupami carogéna ngantunkeun, naha istri anu kadua ngagaduhan hak sami sareng pa- majikan anu kahiji? Tangtos dina hal ieu, ngagaduhan hak kénging warisan ti carogéna, saupami éta istri masih jume- neng kénéh kalebet putra-putrana. Tapi saupami istri kadua (upamina) tos ngantunkeun sateuacanna, mangka anjeunna henteu kénging warisan. Tapi saupami istri kahiji sareng anu kadua masih jumeneng kénéh mah, mangka duanana kénging bagian kalayan jumlahna sami. Dina hukum faraid upami carogé anu pupus, tur ngantunkeun istri sareng putra, mangka bagian istri seueurna 1/8 tina harta anu dikantunkeun. Tapi saupami ngantunkeunana henteu nga- gaduhan putra, mangka bagian istri seueurna 1/4 tina harta anu dikantun- keun, boh pikeun istri kahiji, atanapi istri kadua, nyakitu deui sami saupami ngagaduhan istri katilu atanapi ka opat, sadayana disamikeun. Sedengkeun putra-putrana mah kénging bagian anu seueurna 7/8 tina harta anu dikantun- keun, saupami istri-istrina jumeneng kénéh. Ngeunaan hukum waris ieu, ébréh dina Al-quran parantos disebatkeun, pangpangna dina Surat an-Nisa ayat 12: “...Jeung pikeun maranéh (para salaki) saparo (saperdua) tina harta titinggal pa- majikan-pamajikan maranéh saupama maranéh henteu baroga anak, tapi saupama maranéhna barogaeun anak, mangka maranéh meunang saparapatna tina harta titinggal maranéhna, sanggeus wasiat maranéhna dicumponan jeung hutangna dilunasan. Jeung pikeun pa- majikan saparapatna tina harta titinggal maranéh saupama maranéh henteu baroga anak, tapi upama maranéh ninggalkeun anak pamajikan-pamajikan, mangka maranéh mareunang saperdala- pan tina harta titinggal maranéh sanggeus wasiat maranéh dicumponan jeung hutang maranéh dilunasan …”. Tina ayat Al-quran di luhur tiasa disimpulkeun wiréh hak istri nyaéta saparapatna (1/4) saupama manéhna henteu boga anak, tapi upama manéhna boga/ninggalkeun anak, mangka pamajikana meunang saperdalapan (1/8) tina harta titinggalna, sanggeus sagala rupa wasiatna (pami ningalkeun wasiat) dicumponan, jeung sanggeus hutangna (upama ninggalkeun hutang) dilunasan. Upami diprosentaseukeun mah, istri anu ngagaduhan putra ké- nging 1/8 = 12,5%. Sedengkeun putrana kénging sésana 7/8 = 87,5 %. Contona mah, sapertos kieu; umpamina aya Suami pupus, harta titinggalna pami diartoskeun seueurna 100 juta, kalayan henteu ngantunkeun wasiat ogé henteu ngagaduhan hutang. Mangka cara ngabagina sapertos di han- dap ieu: Istri kahiji : 1/2 x 12,5 % X 100 juta = 6,25 jt. Istri kadua : 1/2 x 12,5 % X 100 juta = 6,25 jt. Sedengkeun bagian putra-putrana (upamina): Putra ti istri kahiji, seueurna tilu (lalaki), saurang (awéwé) Putra ti istri kadua, seueurna saurang (lalaki), saurang (awéwé) Mangka ngétangna, sakumaha anu parantos kauninga, wiréh pikeun anak awéwé ½ ti anak lalaki, atawa lalaki me- unang bagian dua kali leuwih gedé ti batan anak awéwé, mangka pedarana saperti di handap ieu: Anak lalaki ti dua istri, jumlahna opat urang, sedengkeun anak awéwéna jumlahna dua urang, mangka jumlahna jadi lima (20%), sabab dua anak awéwé dianggap hiji. Upama sésa harta tina 100 juta lobana 87,5 juta, mangka anak lalaki, boh ti istri kahiji atawa ti kadua, kadua meunang bagian masing-masing: 20% x 87,5 juta = 17,5 juta. Sedengkeun anak awéwé, meunang bagian masing- masing: 1/2 x 20% X 87,5 juta = 8,75 juta. Tina pedaran di luhur tiasa dicandak kasimpulan, wiréh dina élmu waris numutkeun ajaran Islam, istri kadua sareng putra-putrana ngagaduhan hak atanpi kénging bagian anu sami sareng istri kadua, kitu dei saupami nga- gaduhan putra. Lajeng hak bagian anak dibédakeun dumasar kana jinisna; hak anak lalaki leuwih gedé dua kali lipet ti batan hak bagian anak awéwé. Wallohu A’lam.*** 16 Manglé 2439 Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI Lembaga Pengkajian dan Pengembangan Syiar Islam UNPAS
  17. 17. A NA dirarasakeun mah sihoréng beuki karasa. Tétéla teu kabéh ajén-inajén Sunda bihari mere- nah dilarapkeun dina pajamananan ki- wari. Tétéla ajén-inajén téh ngan “saukur” téks. Ari pajamanan nu keur dilakonan dina mangsa éta téks dikalu- arkeun atawa dijieun, tangtu mibanda ugeran-ugeran.Copélna,ayakasapukan anu daék teu daék kudu dijieun cecekel- an ku sugrining jalma nu hirup dina éta mangsa. Ugeran-ugeran téa, kasapu- kan-kasapukan téa, merenahna disebut kontéks. Ana kitu, ajén-inajén nu hirup dina hiji pajamanan téh luyu –atawa diluyukeun—jeung kontéksna téa. Ari pajamanan, anu mangrupa kon- téks téa, apan robah unggal waktu. Apan “peradaban” téh mangrupa salah sahiji bagian tina kabudayaan. Ari kabudayaan apan tunduk kana “hukum besi” nu disebut ”perubahan”. Lain gé kabudayaan ari henteu rubah-robah nurutkeun panéka jaman mah. Du- masar kana patalina antara téks jeung kontéks, tangtu ajén-inajén –atawa téks téa—nu dijieun dina hiji jaman téh diluyukeunjeung ugeranturkasapukan jaman harita, nu disebut kontéks téa. Nilik kana patalina antara téks jeung kontéks, tétéla teu sakumna ajén-inajén warisan karuhun urang luyu dilarap- keun saban jaman. Mémang enya aya ajén-inajén warisan karuhun urang anu umurna panjang, anu bisa dilarapkeun dina kahirupan di jaman iraha baé. Ajén-inajén samodél kitu nu kaci dise- but ajén-inajén nu adiluhung téh. Nu teu bisa larap dina saban pajamanan mah tangtuna gé teu kaci disebut ajén- inajén nu adiluhung. Bisa jadi ukur luhung dina jamanna wungkul, da ana diterapkeun dina pajamanan kiwari mah éstu jauh kana luhung. Ajén-inajén karuhun urang nyamu- nina téh di antarana dina téks babasan jeung paribasa. Salah sahijina nyaéta paribasa “ulah goong nabeuh manéh”. Hadé éta paribasa téh pikeun dina ja- manna mah. Pan pihartieunana téh ulah sok ngagulkeun diri atawa ku- lawarga sorangan (Tatang Sumarsono: 2001).Kawasna,dinajamanharitamah upama aya jalma anu sok ngagulkeun dirina sorangan téh kacida pisan aébna. Di jaman harita, nurutkeun kasapukan anuhenteutinulisdiantarajalma-jalma nu ngajamananana, jalma nu sok nga- gulkeun dirina sorangan téh kawilang jalma mahiwal. Teu mustahil matak di- jarauhan ku balaréa. Tapi, naha éta paribasa téh larap kénéh pikeun jaman ayeuna? Kawasna mah moal larap. Pajamanan kiwari béda pisan jeung jaman basa éta pari- basa lahir. Jaman kiwari téh jaman per- saingan, jaman silih éléhkeun. Saha nu bisa ngéléhkeun deungeun, éta nu baris meunang kalungguhan. Jaman persai- ngan téh jaman paunggul-unggul. Jaman kiwari téh jaman promosi. Naonbaéogéteuwéléhdipromosikeun, didagang-dagangkeun, disebut leuwih unggul manan (produk) batur. Tah dina jaman samodél kitu hirup urang Sunda kiwari téh. Urang Sunda kudu hirup di satengahing persaingan jeung éetnis-étnis lianna anu tangtu teu wanoh kana paribasa “goong nabeuh manéh” téh. Ku lantaran teu bogaeun paribasa samodél kitu atuh maranéhna téh tangtu laluasa pikeun ngadageung- keun saha dirina jeung naon waé pangabisana. Teu ieuh ngarasa kagok, da teu kahalangan ku ajén-inajén anu nalikung. Ari urang, urang Sunda, kata- likungkuajén-inajénanunyaramurang pikeun goong nabeuh manéh. Antukna nya kitu téa, urang Sunda henteu weléh kaéléhkeun ku deungeun-deungun. Ana kitu atuh meujeuhna upama urang henteu gugon tuhon teuing kana ajén-inajén warisan karuhun téh. Uta- mana kana ajén-inajén nu ngalarang urang pikeun goong nabeuh manéh, pikeun nyaritakeun saha ari urang, naon pangabisa urang, jeung kuamaha pangalaman urang dina éta widang. Dina jaman samodél kiwari mah, dina mangsa promosi jadi andelan utama, handap asor téh geus teu merenah. Dina jaman promosi samodél kiwari mah sikep ieu aing téh asa merenah di- terapkeun dina pasualan-pasualan anu perlu. Ku lantaran urang katalikung ku sikep teu wasa pikeun goong nabeuh manéh téa, nya antukna batur anu barutuheun téh jadi teu wawuheun kana kompeténsi urang, urang Sunda. Réa kénéh conto lianna, ngeunaan ajén-inajén anu nyamuni boh dina babasanbohparibasa,warisankaruhun urang, anu hésé dilarapkeunana dina kamekaran pajamanan. Kana ajén-ina- jén samodél kitu, sawadina urang nu hirup jaman kiwari mikir sacara kritis. Kududibeuweung-diutahkeunnahaéta ajén-inajén (téks) téh luyu kénéh jeung pajamanan kiwari (kontéks) atawa hen- teu. Upama henteu, nya atuh urang padanaringgalkeunwé.Bisidigugulung ogé kalah jadi matak pikeun léngkah urang pimajueun.*** Manglé 2439 17 DI KIWARI MACA BIHARI (15) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Goong Nabeuh Manéh
  18. 18. 18 Manglé 2439 T anggal 7 Juni 2013 di Gedung Pertemuan Uni- versitas Pendidikan In- donesia (UPI) Rektor UPI ngawakilan kulawarga UPI masrahkeun panghargaan Anu- gerah Sepanjang Hayat ka salah sau- rang alumnina, Een Sukaesih. Mantenna geus meunang anugerah “Special Award Ajang Penghargaan SCTV Liputan 6 dengan tiga kategori yaitu kategori Pendidikan, Pengab- dian pada Mayarakat, dan Kemanusi- aan. Ku alatan pangbewara di media boh citak atawa elektronik, ngaran “Een Sukaesih” muncul ka balarea salaku sosok guru sarta pangabdi ka masyarakat, tepi ka Presiden SBY kersa nampi tur nepangan sarta mintonkeun simpatina..Saha tea eta teh? Een Sukaesih nya eta hiji guru anu dina kaayaan lumpuh total tapi tetep sumanget ngabdi jeung mere pangajaran ka barudak di sabudeur imahna.. Dua puluh dalapan tahun anu kaliwat atawa persisna taun 1985, manehna lulus tina Program D-3 ju- rusan Bimbingan dan Konseling IKIP Bandung (UPI ayeuna). anu disusul ku pangangkatanana jadi guru BK di SMA Negeri Sindanglaut Cirebon. Tapi hanjakal pisan ngan ukur kaburu ngalaksanakeun pancen tugasna sa- liladuaminggusalakupegawainegeri, ku alatan kasakit lumpun total anu dialaman salila 28 tahun tug nepi ka kiwari.. Tapi kaayaan anu dilakonan sakitu lilana henteu ngahalangan sumangetna salaku guru, manehna terus babakti kalayan iklas mere pan- gajaran ka barudak di sabudeurna. Geus loba barudak anu meunang atikan ti Ibu Een, malahan maraneh- na mareunang sebutan pangalusna di sakolana, sarta salah saurang di- antarana ayeuna keur nungtut atikan di UPI jurusan Pendidikan Luar Seko- lah. Dina tanggal 7 Juni 2013 harita, UPI ngahadirkeun Bu Een pikeun kumpul jeung batur-batur saangkatan kuliahna sarta para dosen anu kungsi ngajarna bari tuluy kukurilingan di kampus minangka napak tilas pikeun narawangmangsa-mangsajadimaha- siswa puluhan tahun kaliwat. Suasana haru pinuh cipanon ti anu hadir sawaktu Bu Een dibawa dina te tem- pat tidur ka ruang Balai Pertemuan UPI pikeun satuluyna meunang pang- hargaan ti pihak UPI sarta mere ku- liah umum patali pangalaman pangab dianana di dunya atikan. Eta kajadian teh ngagugah sim kuring kana kasauran Confusius saurang filosof Cina anu unina:: ”If there be righ- teousness in the heart, there will be beauty in the character. If there be beauty in the character, there will be harmony in the home. If there be har- mony in the home, there will be order in the nation. If there be order in the nation, there will be peace in the world”. Anu hartina, lamun kabajikan tos kapelak dina jero hate atawa qolbu, bakal ngawangun kageulisan dina karakter (ahlak mulia), lamun geusayakageulisandinajerokarakter, bakal jadi harmoni dina kulawarga; lamun geus ngawujud harmoni di jero kulawarga, bakal aya katengtreman di masyarakat jeung bangsa; jeung lamun geus aya katengtreman di jero kabangsaan, bakal kajadian kadama- ian di dunya. Eta ungkapan Confusius teh ngandung hiji amanat yen kaba- jikan dina qolbu Een Sukaesih teh mangrupahuluwotankakuatandirina enggoning ngabdikeun dirina salaku guru sanajan dina kayaan lumpuh total. Asa teu kaleuwihan lamun kuring nyebut Bu Een Sukaesih teh hiji sosok figur “Guru Qolbu” nyaeta guru anu ngalaksanakeun pancen tugasna salaku pangatik anu pinuh katulusan hate anu asalna tina kabajikan qol- buna anu paling jero. Guru Qolbu ngarupakeun darajat pangluhurna dina opat kategori guru nyaeta guru aktual, guru harmonis, guru karakter, dan guru qolbu. Guru atual nya eta guru anu sacara nyata jadi guru anu ngalaksanakeun sagala rupa peran jeung tugas guru saluyu jeung katang- tuan aturan, tapi dina batinna mah henteun sakabeh panampilan kiner- jana dumasar kana jiwa, semangat, jeung nilai salaku guru. Manehna ngalaksanakeuntugasnasamata-mata lantaran tuntutan formal guru. Guru harmonis nyaeta guru anu tampil salaku guru ku kamampuhan ngatur kaayaan dirina pikeun tampil salaku guru anu hade. Ku kituna manehna katingal harmonis salaku guru sana- jan henteu sakabehna dumasar tina kondisi pribadi anu ditungtut salaku guru. Sakapeung aya pasalia antara kondisi pribadina jeung tungtutan salaku guru, tapi bisa dimanipulasi nepi ka katingal harmonis. Guru karakter, nya eta sosok guru anu ngawujud dumasar kana karakter anu napel dina dirina anu mangrupa bagian tina kapribadianana anu geus kawangun ti mangsa-mangsa budak. Ku kituna panampilan kinerjana salaku guru saluyu, sarasi, salaras, sapagodos, jeung saimbang jeung karakter anu napel dina jero dirina. Panampilanana salaku guru sakaligus jadi panampilan ajen karakterna. Een Sukaesih: Figur Guru “Qolbu” Ku H. Mohamad Surya
  19. 19. Manglé 2439 19 Guru qolbu, anu jadi minangka kate- gori pangluhurna nya eta guru anu panampilanana dumasar kana kuali- tas qolbu atawa hatenya sacara tulus ikhlas nepi ka jadi guru mangrupa bagian tina kabajikan anu kapelak dina jero qolbuna. Aya tujuh ciri anu jadi sumber pikeun ngawujudna guru qolbu. Katujuh eta ciri nya eta, Kahiji, kayakinan; anu bener-bener dipa- hamkeun, dilenyepan, sarta diamal- keun dina kabeh paripolahna salaku guru. Keyakinan ieu sumberna tina agama, budaya, pangaweruh, kahiru- pan sosial, jsb. Kadua, bebenaran anu sumberna tina bebenaran agama, bu- daya, elmu pangaweruh, sosial, jsb. anudijadikeuntatapakandinapikiran tur tindakanana. Katilu, kaharuan rasa, anu bakal jadi tali pameungkeut asih batin emosional antara dirina salaku pangatik jeung muridna. Ku kaharuan ieu bakal aya sikep empatik ka saha wae utamana ka muridna. Kaopat, handap asor, nyaeta sikep pikeun sacara ikhlas ngajadikeun di- rina salaku hamba Alloh anu ngalak- sanakeun pancenna samata-mata mangrupa wujud ibadah ka Alloh swt. Ku kituna manehna jauh tina rasa sombong ngarasa diri paling hebat, ngarasa diri pangpinterna. Kalima, cinta kasih atawa nyaah, anu jadfi dadasar hubungan pedagogis antara pangatik (guru) jeung murid. Cinta kasih mangrupa ciri utama anu man- grupa ruh atawa sumanget hubungan anu sipatnangatik.Ieu tehanu ngabe- dakeun jeung hubungan anu lian saperti hubungan birokratis, atasan- bawahan,hubunganbisnis,hubungan medis, hubungan politis, djb. Tanpa cinta kasih teu aya anu ngaranna atikan. Kegenep, syukuran; nyaeta sikep pikeun salawasna syukuran kana sagala rupa anu geus kalampa- han dina jero dirina. Utamana syukuran ka Alloh swt. ka anujadikolot.kabangsakatutnagara, ka guruna, ka masyarakat, jeung ka murid-muridna. Katujuh, kautuhan diri, anu diwujudkeun di sakabeh laku lampah salaku eunteung kautuhan kapribadian. Guru qolbu bakal bisa nembongkeun kapribadianana sacara utuh ngahiji antara rasa, ucap, jeung lampah, antara mangsa baheula, ayeuna,sartaanubakaldatang,antara dirina jeung agama, atikan, panga laman, keluarga, sarta masyarakat. Katujuh ciri sakumaha disebutkeun di luhur sakabehna aya di jero diri Ibu Een Sukaesih, boh tina panampilan kinerjana salila ieu, atawa tina ungka- panana sawaktu biantara di hareup- eun akademika UPI.. Ku sabab eta, julukan Guru qolbu pantes pisan di- haturkeun ka Ibu Een Sukaesih ku ngabandungan panampilan sarta ki- nerjana salila ieu.. Muga-muga ieu ka- jadian teh bisa nyadarkeun urang sarerea yen kagiatan anu salila ieui dibere ngaran “atiikan” kabuktian geus leungiteun ruhna nyaeta peda- gogik anu boga inti mangrupa kaasih. Muga-muga sing saha wae anu ngarasa jadi palaku atikan kudu aya dina qolbu pedagodik. Supaya naon anu disebut atikan teh saluyu jeung harti atikan anu sabenerna. Insya Alloh.*** Ngalayad Bu Een Sukaesih, dina raraga ngaresmikeun Rumah Pintar Al-Barokah di Kampung Batukarut, Desa Cibeureunwetan, Kabupaten Sumedang 24 Juli 2013
  20. 20. 20 Manglé 2439 B iasana gé ti jam satengah genep soré, Pa Ahmad geus ngajentul di masjid, rék adan. Komo ayeuna, kangaranan bulan puasa. Ti jam satengah lima mula geus aya di masjid, bari tadarusan jeung ngawurukan barudak nu ngaraji. Sapopoé Pa Ahmad téh gawéna mah jadi guru. Manéhna ngajar di SD, lumayan jauh ti imahna. Sajaba ti éta, Pa Ahmad ogé katélah ku adan magribna. Bisa diteguh, mun unggal adan Magrib geus pasti manéhna nu adan téh, sabab lentongna béda ti nu séjén. Ari di imahna mah, Pa pohara atoheunana. “Pa, Dédé hoyong adan nya ayeuna,” ceuk Salman ka bapana, bari tuluy ajret- ajretan hareupeun bapana. “Apanan Dédé tos ageung ayeuna mah, janten tos tiasa adan dédé ogé.” “Coba mana, bapa ho- yong nguping Dédé adan. Sok latihan heula di dieu!” témbal Pa Ahmad, bari tuluy cingogo hareupeun budakna.Sanggeus dititah kitu mah, ngong baé Salman adan. “Haiyaalas solah Haiyaalal falah. Qadqamatis solah Qadqamatis solah. Allahu Akbar Allahu Akbar. La ilahaillallah.” “Naha geuning kalah jadi komat?” ceuk Pa Ahmad. “Sanés bapa, adan bieu mah!” témbal Salman bari jamedud. “Pokona ayeuna Dédéeun nu adan di masjid!” “Nya, mending ku bapa adanna. Tos wéh Dédé di- ajar adan deui di bumi, ayeuna mah urang énggal angkat ka masjid, urang ngaos heula, tuh bieu gé réréncangan Dédé tos ka marasjid.” Geus diomongan kitu mah, antukna Salman daék ogé diolo ku bapana. Buru- buru wéh duanana geuwat indit ka masjid, da geus méh jam lima soré. Satepina di masjid, tuluy wé Pa Ahmad indit ka tepas masjid, da biasana gé ari ngawurukan ngaji barudak mah sok di tepas masjid. Di dinya kasampak barudak geus ngajajar, hayang diwu- rukan. Teu karasa, geus jam satengah genep kurang saparat. Antukna mah barudak nu diwurukan téh dititah baralik heula, sina marawa cai keur ngabata- lan saum. Sanggeus nitah barudak balik mah, tuluy wé Pa Ahmad ngaléos asup ka jero masjid bari ditutur- keun ku Salman. “Allahu Akbar Allahu Akbar. Allahu Akbar Al- Ahmad hirup jeung pamajikan katilu bu- dakna, Si Salman nu kakarék lima taun. Unggal ka masjid Salman pasti dibaba- wa. Paribasana mah, dibiasakeun ti leuleu- tik, sangkan geus gedé hirupna henteu jauh ti masjid. Kaciri tina pameunteuna gé, ung- gal ku bapana diaja- kan ka masjid, Salman Bapa jeung Adan Magrib Ku Ipung Thaifur Abu Yazid
  21. 21. Manglé 2439 21 lahu Akbar. Asyhadu alla il- lahaillallah. Asyhadu alla illahaillallah….” * Bulan puasa geus ning- gang kana poé nu kadua puluh hiji, geus mimiti asup kana Lailatul qodar. Sabada bérés solat tarawéh, Pa Ahmad tuluy itikap di masjid. Haténa, pikiranana, sagalana jadi tingtrim. Teu karasa, panonna mimiti reumbay cimataan. Segruk, Pa Ahmad ceurik, bari su- mujud ka Pangéran nu Maha Kawasa, bari tuluy maca istigfar sababaraha kali. “Sinarieun tos mulih deui Kang. Biasana gé tara wayah kieu,” pamajikanana nanya. “Ah, teu nanaon Néng, ari Salman geus saré?” témbal Ahmad ka pamajikanana. “Tos tibra kang ti tatadi gé.” Tuluy Pa Ahmad indit ka kamerna Salman. Enya, kasampak manéhna geus tibra, meureun geus nepi kana alam pangimpian. Kaciri pameunteuna nu hérang caang tur marah- may, taya dosa, éstuning beresih. Geus kitu mah, Pa Ahmad langsung nyium Salman dina palebah tarangna, bari tuluy nga- do’akeun manéhanana. “Enya Néng, geuning geus tibra budak téh. Mani resep ningalina, mani marahmay kitu pameunteuna, beresih, ” ceuk Pa Ahmad ka pama- jikanana. “Nya muhun atuh Kang, apanan ku Akang sok dia- jakan ka masjid. Nu matak budak téh katingali haré- rang pameunteuna,” témbal pamajikanana. “Akang mah moal loba teuing tuntutaneun ka néng. Akang mah mihapé si kasép wéh ka Néng, sangkan ulah salah ngurusna, sangkan jadi jalma soléh, jalma nu guna pikeun nagara katut agama.” “Héh, Akang mah. Nya muhun atuh Kang. Insya Allah Néng gé bakal ngurus si kasép téh sajalan jeung nu diajarkeun ku ageman urang. Tapi naha bét akang nyarios siga kitu?” ceuk pa- majikanana malik nanya. “Bisi, akang teu sempet ngurusna Néng, kapan ceuk hadis ogé kaayaan hiji na- gara gumantung kana ka- ayaan awéwé pangeusi éta nagara. Nu hartina awéwé téh nu ngalahirkeun para calon pamingpin, tah éta pamingpin téh bakal hasil lamun awéwé nu ngurusna saluyu jeung saré’at agama. Akang gé hoyong nyungkeun dihampura ka Néng, bisi salami akang jadi salaki Néng téh seueur pangabutuh Néng nu teu kacumponan ku Akang.” “Ari Akang damang? Tos ah, Akang mah ka mana waé nyarios téh. Ku kaayaan ayeuna gé Néng mah tos nganuhunkeun pisan ka akang. Tos ah, tunduh,” ceuk pamajikanana, bari tuluy ngaléos ka pangkéng. Cara biasa, kaisukanana Pa Ahmad indit ngajar isuk- isuk, balik beurang. Tapi harita mah aya nu béda tina diri Pa Ahmad. Kaciri tina pameunteuna, leuwih ca- hayaan tur caang, dina nga- jar gé kacida sumanget pisan, nepi ka barudak mingkinan bétah diajar jeung manéhna. “Urang cekapkeun heula dugi ka dieu, tong hilap dia- jar sing getol najan peré ogé. Sareng, bapa nyungkeun di- hapunten ku hidep sadaya, bisi salami bapa ngajar bapa seueur nyarékan ka hidep,” ceuk Pa Ahmad ka barudak nu diwali kelasan ku manéhna. “Insya Allah pa,” ceuk barudak, méh bareng. “Assalamu’alaikum,” ceuk Pa Ahmad, bari tuluy ka luar kelas. “Wa’alaikum salam.” Kabeneran, di ruang guru masih kénéh raramé. Kabéh guru araya kénéh di sakola, can baralik. “Assalamu’alaikum,” ceuk Pa Ahmad. “Wa’alaikum salam,” tém- bal nu séjén. “Kawas nu atoh jang, mani marahmay kitu,” ceuk Pa Rahmat, kapala sakola. “Muhun, mani harérang kitu. Aya jurig tumpak kuda nya?” ceuk Pa Sulaeman nanya. “Ah, teu aya nanaon Pa. Komo ari jurig tumpak kuda mah. Jajauhaneun,” témbal Pa Ahmad. “Kieu bapa-bapa miwah ibu-ibu nu aya di dieu, sakedap deui téh sasih romdon baris lekasan, ku ki- tuna abdi nyungkeun diha- punten, bilih salami abdi ngajar seueur lepatna. Ka- jaba ayeuna téh dinten pa- mungkas ngajar dina sasih Romdon.” Sanggeus bérés silih ham- pura mah, Pa Ahmad tuluy balik ka imahna. Satepina di imah, Pa Ahmad langsung indit deui, ngurilingan lem- bur, ménta dihampura ka sakabéh tatanggana, eu- weuh hiji imah nu kaliwat ku manéhanana. Kabéh ka- papay. Cara biasa, saméméh adan magrib Pa Ahmad geus ngajentul di masjid. Ngan nu ngabédakeunana ukur ayeuna mah ngan manéhna sorangan nu aya di masjid téh. Barudak nu diwurukan ngaji ku manéhna baruka saum di imahna sewang-séwangan. Ogé Salman, nu biasana dibawa ka masjid, poé éta mah teu dibawa ka masjid. Rét manéhna kana jam, geus jam genep kurang lima menit. Geus waktuna adan magrib. “Allahu Akbar Allahu Akbar. Allahu Akbar Allahu Akbar. Asyhadu alla illa- haillallah.” Jep, sora adan ngadadak eureun. Nu keur ngabatalan saum ngadadak kalaluar ti imahna. “Boa can waktuna buka ieu téh?” ceuk salah saurang. “Piraku wéh Jang Guru rék ngaheureuykeun nu saum,” ceuk nu séjén ném- balan. Ahirna loba warga nu ambek, pédah asa mara- néhanana diheureuykeun ku Pa Ahmad. Antukna, bring waé warga téh indit ka masjid, bari dibarung ku rasa keuheul jeung kuciwa. Satepi ka masjid, kasam- pak aya nu ngagolér tu- kangeun paimbaran. Barang disidik-sidik, sihoréng Pa Ahmad keur ngagolér bari imut. Sidik, geuning Pa Ahmad. Teu rénghap, teu ranjug. Digeubig-geubig, an- teng taya nu usik. Leuh, Pa Ahmad geus mulang ka asalna. Teu lila ngong waé adan magrib ku Pa RT. Sabérésna adan Pa RT langsung nepikeun béwara. “Assalamu’alaikum warohmatullohi, wabarokatuh. Innalillahi Wa’innailaihi Roji’un. Parantos mulih ka Rahmat- ulloh, kersana Pa Ahamad Nur Hadi, tabuh genep bieu. Sakali deui, Innalillahi Wa’innailaihi Roji’un.” Ceuk éta béwara. Geus ngadéngé kitu mah, bring waé warga nu séjén nyusul ka masjid, kaasup pamajikanana jeung Salman. Satepina di masjid pamajikanana jeung bu- dakna langsung moro ka palebah paimbaran. Teu lila pamajikanana sumegruk ceurik. “Boa pédah ieu Jang Guru téh ménta dihampura basa bieu beurang téh. Geus apal manéhna geus deukeut ka pati!” ceuk salah saurang warga ngaharéwos. *** Gerlong, 14 Romadon 1434 H
  22. 22. 22 Manglé 2439 J aman ayeuna mah lamun bulan puasa téh sok ramé. Sagala aya. Ti mimiti nu jualan dahareun nepi ka baju. Atuh aya ogé nu maké papakéan sarwa bodas nu ngamang nga- mang awi atawa paneung- geul bari gogorowokan nyebut asma Alloh. Mani sok resep lalajona téh. Maraké motor tiluan. Tara maké helm. Marawa bandéra deuih. Siga nu pawéy ék kampanyeu. Ari nu didatanganana téh tempat dahar nu buka tengah poé dina bulan puasa. Atawa tempat hi- buran. Ah uing mah resep wé lalajo peuntaseun jalan wé. Embung ari ngadeu- keutan mah da sieun disé- gag. Sieun disangka pipi lueun urusan maranéh- anana. Padahal sidik maranéhna nu sok pipi- lueun urusan batur mah. Keun wé da saupama dibéjakeun, diobrolkeun ka maranéhanana gé moal rék katarimaeun. Sakali mah uing téh keur ngabuburit. Panon poé téh keur meujeuhna nyeletot kana embun-em- bunan. Keur na motor. Ari béak pengkolan breng téh aya jalma nu maké kam- pret hideung dina motor meni rabul. “Alah, nya aya naon ieu?” ceuk haté. Motor geuwat dikasisikeun, sieun. Sararua ieu ogé teu maraké helm. Maraké iket nu ieu mah. Asa teu biasa, kapan biasana gé maraké papakéan sarwa bodas. Béda sigana, nu ieu mah da teu gogorowokan nye- but asma Alloh. Béda ko- munitas meuruen. Béda kartél mun di Méksiko mah. “Pajajaran anyar.” Sali- wat uing maca bandéra nu di kélébét-kélébétkeun ku nu keur abring-abringan. Hantem dipikiran, kapan Pajajaran mah ngaran karajaan Sunda, jeung asa kakara ngadéngé aya isti- lah ‘Pajajaran Anyar’. Sarua kitu éta ogé ngaran karajaan, tapi da asa eu- weuh. Belenyeng wé indit deui téh, muru magrib. Uing eureun hareupeun pasar, rék meuli nu amis niatna mah, keur tajil. Keur resep milihan keur tajil, ti ka- jauhan aya nu gogorowo- kan, teuing naon lah da teu pati jelas. Ari diteang ti mana-mana éta sora, katempo loba jalma nu pa- pakéanana barodas keur ngacak-ngacak warung sangu. Geus biasa ari nempo nu kitu mah. “Astagfirulloh.” Uing ngagerendeng sanggeus nempo jalma nu digusur ti jero warung sangu, terus dikakaya. Kapan bulan puasa ieu téh! Naha jalma téh teu bisa nahan émosi? Uing onaman jalma nu teu eucreug ari nahan-nahan émosi keur bulan puasa mah sok bisa. Nahan lapar wé nu kadang lasut mah. Teu eureun semet dinya, warung sangu téh diacak- acak. Dahareunana di- awur-awurkeun ka tengah jalan. Nyaah eung. Kapan loba kénéh jalma kala- paran di urang téh, ieu mah kalah diawur-awur? Geus bérés tah warung éta, belenyeng wé arindit. Euweuh kahanjakal geus ngaruksak tempat batur téh. Kalah terus gogoro- wokan nyebut asma Alloh. Enya kitu Alloh nitah kitu? Carpon Yosef M. Ibrahim
  23. 23. Manglé 2439 23 Geus arindit tah jalma téh, ngan nu boga warung keur ngagukguk hareup- eun warung na. Ras inget ka kolot babaturan nu sok dipéntaan dahar ku uing, sarua pisan atuh da kolot si Jamal gé dagang sangu hareupeun imahna. Teu nyarahoeun wé jalma nu tadi mah, manéhna téh geus maéhan usaha batur. Geus nyieun dulur sorang- an usahana bangkar. Sok rajeun ngusap dada uing mah. Astagfirulloh. Sababaraha poé ti ha- rita, uing ulin ka Gedung Saté. Keur aya démo cenah, lumayan keur bahan réportase tabloid kampus. Nepi ka hare- upeun Gedung Saté, nu démo téh maraké papa- kéan sarwa hideung. Si- rahna diariket. Persis jeung nu kungsi kapang- gih harita téa. Padahal keur tengah poé, jaba bulan puasa. Ku karuatan! Sanggeus ngabandung- an nu démo, nepi ka wawancara jeung salah sahiji tokoh éta komuni- tas, cenah mah ayeuna téh geus manjing waktu keur urang Sunda nyieun Paja- jaran anyar keur mingpin di Indonesia, malah mah dunya. Da cenah kabéh jalma nu aya di sabu- deureun dunya gé asalna ti Parahiangan. Malah ceuk nu keur orasi di hareup mah Nabi Adam téh turunna di Sunda, sanggeus diusir ku Alloh ti sawarga. Jadi ayeuna téh geus kudu nyieun karajaan anyar. Malah pamarénta- han gé kudu ulubiung dina nyieun éta karajaan. Karajaan Pajajaran Anyar. Kaditunakeun mah pa- maréntahan gé kudu tuhu ka karajaan. Sapoé ti harita réportase téh geus dijieun malah geus dimuat. ** Balik kuliah ayeuna mah, nongkrong di ha- reupeun toko buku jeung si Jamal. Keur maca wé duaan bari nempoan jalma nu lalar liwat. Teu lila, kadéngé aya sora jalma siga nu keur pawéy di kajauhan. “Tah, aya nu keur kam- panyeu.” Ceuk uing, bari tetempoan mah angger kana buku nu keur dibaca. “Miluan yu ah!” Ceuk si Jamal mani tarik. “Lumayan sok dibéré duit euy.” Tambahna. “Ah piraku?” Ceuk uing rada héran, da can milu kampanyeu sakali-kali acan. “Heueuh. Sok dibéré duit, lumayan. Aya nu méré dua puluh rébu malah nepi ka aya nu limapuluh rébu. Yu ah miluan.” Si Jamal meni daria ngajelaskeun téh. “Yu atuh!” Lumayan, pikir téh. Uing jeung si Jamal kakara cengkat rék megat nu kampanyeu. Torojol téh nu pawéy maraké pa- pakean hideung. Sidik pisan, éta kelompok nu rék nyieun karajaan téa. Pajajaran Anyar, nu harita démo hareupeun Gedung Saté. “Lain kampayeu ieu mah.” Ceuk si jamal ka uing. “Nu kampanyeu mah bajuna gé sok warna- warni euy.” Uing ék nga- jawab geus dipotong mantén ku si Jamal téh. “Balik wé yu, ka imah manéh. Tapi uing milu dahar ké magrib.” Ceuk uing bari nyéréngéh. “Ah sia mah.” témbalna. Sajajalan, loba pisan nu keur pawéy téh. Sarwa hideung. Sigana mah jadi nyieun karajaan téh, da mani rabul. Kumaha atuh uing, meureun kudu nyieun KTP deui. Sakitu lilana pan nyieun KTP nu kamari ge. Nu maraké papakéan hideung téh katingalna mani sarumanget pawéyna, siga nu nyuhun harepan nu leuwih ka karajaan nu cenah rék jadi nanjeur, enya karajaan Pajajaran Anyar téa. Pantes wé malikir kitu gé da meureun teu manggih anu matak pihadéeun keur maranéhna. Paming- pinna nya kitu wé ti ba- heula gé ngan diuk luha-léhé. Dungdak- déngdék dina korsi. Paling banter nya saré. Mun keur purun nya nempo heula pilem porno tamba kesel. Teu mikiran maranéhna, nu ayeuna keur pawéy rék nyieun karajaan. Ayeuna mah rajana gé geus aya pan. Prabu nanahaon kitu da titatadi digorowokkeun ku jalma nu maraké pa- pakéan hideung téh. Prabu nu bakal nyieun parobahan jeung prabu nu baris nyaah ka rahayat. Saliwat mah siga nu kam- panyeu partai ieu gé, kam- panyeu partai hideung. Teuing partai naon? Jauh imah si Jamal téh. Panonpoé geus rék tung- gsng gunung. Lampu jalan hiji-hiji geus harurung. Sosolawatan geus silih raéng di masjid. Motor ngalaju na sela-sela gang, tapi can kénéh nepi. Sapéngkolan deui sigana mah? Parat péngkolan geus loba deui jalema ieu téh. Keur usum pawéy boa ieu téh? Nu maraké pa- pakéan sarwa bodas ieu mah, mamawa bandéra, awi jeung nu séjén nu bisadibabukkeun ka batur. Iih.., ** Panon uing geus teu puguh tetempoan. Sirah asa rék peupeus. Asa aya nu ngaley na embun-em- bunan. Barang dirampa, geuning beureum. Bau hanyir. Getih saha ieu? Na nu saha deui ari lain nu uing mah? Rék nangtung tapi suku asa teu daék usik. Nu katempo ngan Si Jamal keur ngagolér. Dina sirahna ngaley nu hanyir beureum. Digeroan teu waé ngajawab. Teu jauh ti Si Jamal, In- dungna masih kénéh nye- gruk ceurik. Beuki lila beuki teu kadéngé lan- taran kasilep sora asma Alloh nu silih téma ti jalema nu maraké pa- pakéan sarwa bodas. Uing maksakeun nangtung nempo Si Jamal nu ngalumbruk hareupeun warung indungna. Leumpang téh kokolo- yongan, tetempoan asa beuki burem. Hayang lumpat ka jalma nu maraké pakéan bodas. Hayang mawa bedog rék dikadékan hiji-hiji. Tapi bororaah rék kitu, leum- pang gé puguh asa to- tolonjongan.Leumpang saeutik-saeutik ka tengah jalan. Sakuriling mah pinuh ku jalma nu maké papakéan sarwa bodas téa. Asa bareuki bodas waé tetempoan téh. Bajuna siga nu harurung. Hayang ngagorowok, hayang mak- sakeun ngagorowok. “Gandéng siah kéhééééédd..!!!” Jedak, aya nu mabuk ti tukang. Beuki bodas waé tetempoan téh. Bodas. Bodas. Bodas. Bruk. Hi- deung. *** Al-Furqon, 21 Juli 2013
  24. 24. 24 Manglé 2439 T as jalan-jalan mapay Ban- dung, teu karasa geus peuting. Tabuh sapuluh. Teu kuat tunduh. Cinekul na téras toko. Kelekep heuay, ker kasa- réan. Hudang-hudang kasebrot cileuncang jeung kagareuwahkeun guludug nu patingjeleger. Beu! Bandung jempling. Patalimarga dumadak coréncang, taya angkot ngalong. Padahal sasarina mah tara suwung. Teu hadé cinutrung, kuring hu- dang sabada hujan orot, ukur ngeprul. Tiris. Teu maké jékét. Tegallega wayah kieu, enyaan com- brék. Keur anteng leumpang ka kidulkeun, teu kanya- hoan aya béca nyampeur- keun. "Béca Dén?" tanya tukang béca. "Sabaraha ka Cibolé- rang?" pok téh langsung baé adu rega hayang geura-geura nyium bantal. "Teu langkung di dinya badé lima rébu badé sapu- luh rébu gé," cenah. Atoh teu atoh. Atoh duméh teu ngaregakeun mahal, ongkos ukur sakitu, cacak ti peuting mah. Da nu nor- mal mah saeutikna Rp 30.000 mah kudu. "Enya sok sapuluh lah!" cékéng bari dina emprona mah engké téh rék méré bonus sapuluh rébu mah. Kalacat satengah luncat neundeutkeun cungcurun- gan kana jok béca. Na ana clé, jol jeletot téh karasa panas. "Aduh, na panas Mang?" "Huahahahaaaa...!" Si gejul, kalah ngabarakatak. "Na kalah seuri?" Panasaran ditanyakeun. "Ah hentu," pokna pon- dok. "Naha kalah méngkol ngénca. Ka katuhu!" Ku- ring ngagorowok demi lebah parapatan Otista béca téh kalah méngkol ngénca lain ka katuhu. "Huahaha.....!" seuri deui, beuki harus. Laju béca karasa wuwuh nyem- prung. Sakolépat gé geus cunduk ka parapatan Moch. Toha, léok deui ngénca. "Mang, ka Cibolérang mah ka Leuwipanjang, terus ka By Pass. Ka Kopo, lebah sasak nu aya paja- galan méngkol ka katuhu!" Pok téh ngadikté bari muihkeun awak ka tu- kang. Ana gilek, jenghok. Béca euweuh nu nyupiran. Puriding... jantung ngadu- lag nurugtug. Tapi teu kungsi lila geus anjeucleu deui. Teu lémék bakating sawan. "Hahaha...hihihi...!" Kalah kadéngé deui nyikikik miyuni sora kunti. "Enggeus ah. Turun di dieu!' "Hahaha....sok wé becus mah!" pokna kalah beuki matak sawan. Da jeung saenyana rék bisa turun kumaha laju Supata Urang Baksil Ku Féndy Sy. Citrawarga
  25. 25. Manglé 2439 25 béca mani nyemprung. Teu ukur kitu. Béca téh sakapeung guluang- galéong diulinkeun. "Enya eureun heula!" Mimiti ngagidir bari késang badag késang lem- but ngorolok. Antukna, teu majar kumaha kuring ngabigeu nganteur karep tukang béca nu teuing saha. Eureun-eureun geus aya di rungkun. "Turun!" "Naha kalah dibawa ka ruyuk. Uing mah lalaki tulén," pok téh sieun diko- roméoh. "Heueuh da aing téh bangsa sia nu teu adeuh sok ngageugeuleuh awéwé taya kaseubeuh!" "Ari kitu bangsa naon di dinya?" "Bisi teu nyaho aing téh nu ngageugeuh Baksil!" "Baksil?" "Heueuh Babakan Sili- wangi, nagara aing nu rék dijajah bangsa sia! Hayu buru ngahadap wal- weung!" "Naon walweung téh?" "Wali Leuweung, belegug!" Kuring dipaksa turun tina béca. Digusur ka ruyuk Baksil nu poék mongkléng. Teu kungsi lila anjog ka lawang sakéténg. Dumadak caang siga ti beurang. Di dinya geus nyampak pirang-pirang mahluk nu pikagilaeun, ngariung siga keur ngayakeun gempungan. "Mangga nyanggakeun Pa Walweung ieu kenging mangkelukna." Mahluk-mahluk nu cenah ngageugeuh Baksil téh ragem marelong kuring bari tingcakakak- tingcikikik. Sorana mani matak eundeur. Bulu pun- duk kuring teu wudu tingsariak.Teu nyangka sacongo buuk kudu patepung jeung mahluk- mahluk modél kitu. "Bener ieu mangkelukna?" tanya nu disebut walweung. "Sumuhun, teu lepat nun. Mangga kedah dikumahakeun?" "Enya manéh boga karep rék ngabukbak alas Baksil, rék nyieun réstoran, rék nyieun tempat pelesiran?" "Yéy, duka atuh," pok téh teu mais teu meuleum di- tuding rék ngabukbak Bak- sil. "Na sia ngangles?" "Da teu rumasa atuh!" "Geuning teu ngaku euy? Salah néwak manéh mah!" "Ah biasa. Jelema mah sok akon-akon." "Heueuh keun wé euy rék saha-saha manéh. Nu penting béjakeun ka balad-balad maranéh yén nu ngageugeuh Baksil teu rido lamun ieu leuweung rék dibabad!" "Na maké teu rido sagala, duit-duit uing!" cékéng jadi ngilu keuheul antukna mah bongan teu pupuguh kalah jadi katem- puhan buntut maung. "Tuh nya da bener. Yeuh jelema! Ulah disangka leuweung téh euweuh nu ngageugeuh, nyatana aya bangsa kami. Nu matak, saméméh aya kajadian nu teu dipiharep, kami ngéli- ngan sangkan Baksil diriksa!" "Na euweuh deui tem- pat? Baksil téh aya di Kota Bandung. Maenya di kota aya leuweung?" Kagok ngayonan. Ana ger téh nu nyurakan mani éar. "Emh ieu jelema teu nguteuk pisan nya? Pa- sukan, sayagikeun tihang gantungan!" "Siaaap...!" Raong nu narémbalan. Puguh baé so- rangan murengked. Késang ngoprot sieun enya digantung. Angot basa awak kuring padangare- jengan, laju dipayang. Bréh tihang gantungan! "Gustiii... nepi ka kieu nanasiban," jumerit. "Sakali deui kami nanya, enya rék nyieun wangunan di dieu?" "Duka atuh!" "Yeuh, jelema! Béjakeun ka balaréa urang Bandung, lamun Bandung hayang iuh linduk, hawana seger, cai curcor, walungan caina hérang, kudu wawuh jeung bangsa kami!" "Naha?" "Heueuh apan kami mah hirup di leuweung, ari leuweung kudu aya kakayon! Mangpaatna sangkan lingkungan ka- piara. Mun usum ngijih teu kacaahan. Mun usum halodo teu kakurangan cai," pokna mapatahan. "Nya mending nyieun réstoran, mol, gedong sigrong, vila, dan seba- gainyah ngarah loba duit!" "Emh aya ku bedegong ieu mangkeluk. Ngaku wé manusa modéren, ari polo belet kabina-bina. Pan nyaho Bandung kiwari geus kaseundeuhan pi- rang-pirang balai. Runtah patulayah, nu daragang ngampar asal ngeunah, Cikapundung ngabajigur, usum hujan caah cileun- cang, geus puguh caah rongkah Citarum mah, cai jero taneuh ngajeroan!" angger mapatahan, bari pokna deui; "Ari ngaran Persib Maung Bandung!" "Naon sangeunahna ma- mawa Persib?" "Nya heueuh, lamun enya Persib Maung, di Bandung kudu aya leu- weung da maung mah tara nyirekem di tempat karaoké!" Kuring nga- bigeu. Tapi géngsi kudu ngabetem mah. "Na urusan teuing?" "Nya urusan deuleu! Aing gé aya kapentingan. Nagara aing dijajah, wajib buméla, toh pati jiwa raga!" nyeuneu. "Ngéwa di kota aya leuweung, aya ruyuk, aya kai janggotan mah! Leu- weung mah di gunung. Di kota mah kudu loba toko, balatak bangunan méwah sabangsa hotél, réstoran, tempat hiburan, jeung sajabana!" pok téh saheuayna. "Nitis tulis ciri wanci, datang mangsa nu sam- purna sia ku aing rék disu- pata!" si walweung ngancam. "Hah, disupata?" "Heueuh, lantaran manéh mah teu payus jadi jelema, pantesna jadi be- lentuk!" "Ulah atuh ih!" "Teu bisa, kedal ucap kami cadu dicabut." "Jadi?" "Manéh rék disupata!" "Jadi naon? Jadi presidén mah sok wé!" Werat kénéh ngabojég. "Heug ku kula manéh rék disupata jadi presidén leuweung Baksil!" "Maksudna?" "Manéh ku kula disupata jadi tangkal kai pangge- déna nu boga pancén nga- jaga Leuweung Baksil ti nu rék ngajajah. Sing saha nu ngagunasika, wajib dila- wan. Sabalikna lamun ku manéh diantep..." "Kumaha tah?" "Manéh salawasna jadi tangkal kai! Sabalikna lamun daék mulasara, isuk jaganing géto manéh bakal mulih ka jati mulang ka asal jadi manusa sajatining manusa!" "Gustiiiiiiiiii.....," leng- gerek kapiuhan.***
  26. 26. 26 Manglé 2439 K ira-kira duapu- luh méteran sabada turun tina taxi, kati- ngali nu ma- pagkeun. Nangtung diba rengan girimis ipis. Gagah. Dua dampal leungeunna nyumput dina saku calana. Sukuna rada ngajégang. Jangkung, ngageblég make baju hideung dina lalangsé poé katompérnakeun, mang sa layung geus mubus ka- teureuy sandékala. Leumpang digancangan, hayang geura nepi. Hayang geura ningali paromanna nu unggal usik kumalangkang na ciciptan. Asa leuwih se- ring teu apalna. Bangun nu ngahaja nyamuni, misterius. Sing sarwa teu kateguh. Barang anjog, imutna ngabagéakeun. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasala- man. Lampu nu kahalangan ku Patrakomala, teu méré kasempetan pikeun nelek- nelek beungeut nu dipika- sono dina unggal rénghap ambekan. “Hayu lebet, kabujeng ageung deui hujanna. ” Sorana halon, teu ngum- bang kana awakna nu jangkung badag. Nungtun asup ka jero imah. “Dugi oge. Macét meni matak kesel,” cékéng bari gék diuk dina sofa. Manéhna ngaléos ka tukang. Rada lila. Jol deui geus ganti baju, angger nu hideung. Kaos tangan pa- njang turtle neck, kéwes pantes, kasép. “ Badé coklat panas atanapi citéh manis?” Nang- tung hareupeun. Panonna nu salila ieu jadi daya tarik pangkuatna neuteup leleb. “ Coklat panas wé. Asik nuju tiris kieu mah.” Manéhna imut, léos deui. Rohangan tamu nu sem- pit, ngan ukur dieusian sofa bentuk L, ukuran dua ka dua. Ditambah ku méja konsol nu pinuh ku souvenir ti kota-kota mancanagara. Dina tembok rapang lukisan opat usum ti China jeung lukisan abstrak beunangna. Nyeni. Galuh Candrasukma. Se- niman lukis nu geus moyan. Umurna tilupuluh lima tau- nan. Dedeg sampé rupa hadé. Profilna semu heuras, caréham siga urang Itali, pasagi dipapaés biwir nu ipis bari garisna tegas. Asa inget kana keureutan beu- ngeut mafioso dina pilem- pilem nu témana La Cosa Nostra. Potongan beungeut nu dipikaresep. Macho pisan. Matakan mun dina sms, sok remen disebut “Cara” atawa “Amare”. Anggap wé keur aya di Si- cilia... Wawuh basa panggih dina paméran lukisan di Ga- leri Azzura. Atoh pisan basa manéhna apal kana saba- baraha carpon jeung novel kuring. Da puguh ngaidola- keun, basa manéhna nga- deukeutan téh maké jeung rampang-reumpeung sa- gala. Remen ningali ma- néhna dina unggal riungan, ngan teu wani ngedeukeut- an. Leuwih ngeunah ningali ti kajauhan. “Hébat, yang muda yang berkarya. Novelna kerén. Réalis namung menggetar- kan. Ungkarana éndah tur galura émosina pas.” Diki- tukeun ku manéhna harita, awak asa harampang. Awéwé bodo mun teu kataji ku nu gagah tur kasép bari humble pisan. Biasana seni- Carpon Tiktik Rusyani LalakidinaTungtungPeuting
  27. 27. Manglé 2439 27 man sok rada urakan, sléngéan. Ieu mah rapih, sok sanajan ampir unggal pasarandog tara leupas tina kaos hideung. Asa namba- han kharisma, manéhna uomo in nero. Kasebut teu loba omong, malah rada ci- cingeun. Tapi mun geus uplek ngobrol, ramé ogé. Teu matak bosen. Nu geus ti tukang asup deui mawa cangkir nu nge- bul. Kaangseu aroma coklat nu khas. Sok diteundeun dina méja. Gék diuk hareup- eun. Lucu ogé, ahirna nepi kadieu, ka imahna. Da bi- asana gé panggih ukur dina komunitas seniman. Atuh mun rék ngobrol sacara pribadi osok smsan atawa inbokan. Bisa jadi mémang cinlok, cinta lokasi. Kusabab remen panggih jadi aya rasa nu béda. Teu kabayang nepi ka bisa deukeut. Dina harti séd saeutik tina sebutan babatu- ran. Da mun smsan atawa inbokan teu weléh maké “honey” atawa “dear”. Siga nu heureuy, tapi kana haté mah geus jadi harepan, mun hiji waktu manéhna baris wakca. Ngan kungsi kacatet, kalimah dina inbokna. Ningalikeun mun kuring teu nogéncang. “Meni uleng nu ngala- mun...” Manéhna seuri bari ngasorkeun cangkir. “ Meungpeung panas kénéh,” cenah. “Kataji ku penataan ruangan nu basajan namung nyeni.” “Ah, uyuhan tuda. Nu gaduhna kapan remen tra- veling. Bumi tara kaurus, matakan mending nu mini- malis wé. Da nu pangpent- ingna mah kasur..hahaha.” Kuring milu nyakakak. Eta leuwihna manéhna. Joké- jokéna cerdas kadangkala satir, siga nu hayang nyeungseurikeun kahiru- panna sorangan. Wawuh lumayan lila, genep bulanan. Tina pang- gih di galeri , tina heureuy, tina sili alokan komén dina fb, inbokan. Kabéhanana jadi galindeng kasono nu remen mapaésan impian. Ngan orokaya, wawuh jeung manéhna téh nyair protés nu lain meumeueusan ti sobat dalit. “Manéh rék seriusan jeung Galuh Candrasukma? Nu baleg? Daék kitu ngan ukur jadi terminal perhen- tian? Sajorélat...putus ngoléang kakalayangan siga langlayangan kapakan. Geus loba korbanna. Casanova nu misterius.” Pancarini sobat dina komunitas pangarang bangun nu banget teu panuju. “ Naha didinya meni apal nepi kadinya? Kapan didieu karék nyebutkeun ngaranna wungkul?” “Euweuh nu teu apal, ka lalaki mantes bari flam- boyan siga manéhna mah, diémbohan ku sikepna nu puritan, saha nu teu pana- saran. Pokona mun teu hayang patah hati tong deukeut jeung manéhna.” “Geus kagok asong. Urang geus mimiti bogoh. Baé rék nepi kamana, moal weléh diayonan. Da mun ningali sikepna mah siga nu tukuh kana jangji. Piraku sakitu performancé na alus ari kana komitmen teu tang- gung jawab.” Ngomong bari netegkeun haté. Da puguh rada reuwas ogé ngadéngé omongan Rini nu siga kitu. Da saenyana mah kuring teu apal gosip perkara ma- néhna. Lain daérah kakawasaan kana ngagosip mah. Apal sotéh mun aya béja nu aranéh, pédah sok aya nu nganteuran. “Ih, meni anteng. Asik pami dilukis, soca nu neu- teup kosong kana kaca jandéla, panangan nyepeng cangkir nu ngebul, sakali- sakali diuyup lalaunan, bari paneuteup teu lesot, mokus. Janten aya naon dina saluareun lalangsé téh?” Sora Galuh nga- gareuwahkeun. Ukur di- walon ku nyeuleukeuteuk. Boa ti tatadi diperhatikeun ku manéhna. Panonna nu seukeut neuteup anteb pisan siga ngahaja ngawurkeun pami katna. Casanova ceuk Pancarini. Boa enya. Rindatna nu pinuh pangirut, aurana nu sanggup meruhkeun saban haté awéwé. Kapan kuring ogé keur kasengsrem, nepi ka daék diajak ka imahna. Hiji pacaduan nu mimiti di- rempak ku sorangan. Ajeng Purwitasari, carponis jeung novelis nu moralis, asup ka imah lalaki. Hawa mimiti haneut, sili témpas nepikeun pamade- gan. Tina seni, tina kahiru- pan nepi kana kamandang pribadina kana perkara cinta. Horéng aya benerna omongan Rini sababaraha poé katukang. Galuh tipe lalaki nu teu resep kata- likung. Hayang bébas siga heulang nu bisa eunteup na saban sayang. “Urang sili eusian jiwa nu kosong, hanaang. Namung teu aya iketan nanaon. Bébas wé, merdika. Sok sanaos ari rasa mah teu tiasa dibobodo. Pami urang mak- sakeun ngadamel kasapu- kan kanggopikapayuneun, hariwang pami teu kahontal, matak peurih tur sedih. Mending ngamalir wé, easy going.” Pokpokanana méré kacindekan nu teu bisa dipondah. Da naon atuh hak kuring? Kabogoh lain, teu pantes mun maksakeun ka- hayang sorangan. Sabenerna hayang ngejat, amitan. Méméh kaeurad leuwih jero. Euweuh nu bisa dicepeng. Tina sakabeh carita nu diperelekeunana, hirup nu hédonis, nguyup sagala kasuka tanpa perlu mikiran akibatna horéng sisi peteng tina gulubur aura flamboyanna. Karak apal, tur matak hélok. Béhna mah lain ngejat, anggur ngahenén dina rang- kulanana. Rumasa geus ka- bandang ku rasa nyaah. Da bongan diipuk ti mimiti panggih. Atuh sabataé genep bulan geus mimiti ngaran- dakah. Siga nu moal bisa pukah. “Galuh, nyaah ka Ajeng?” Tanggah neuteup beungeut- na nu nampeu. “Nyaah..” “Naha bet alim kaiket ku jangji? Naha alim ngucap- keun statement? Sieun ditagih nya?” Teu ngawalon, anggur mésem bari nga- dekkeun tarangna kana sirah kuring. “Ajeng hoyong nguping, urang kikieuan téh alesana naon pami sanés cinta mah? Atanapi mémang napsu wungkul?” “Raraoskeun wé ku haté, da éta nu bakal ngaweuhan kanyaah urang mah. Teu kedah ku cara verbal.” “Pami teu dikedalkeun, naon atuh nu kedah di- cepeng?” “Kayakinan wé, yén kanyaah urang ageung tur manjang.” “Anéh..!” Manéhna ngan tiba nyawél kana gado. Lila paheneng-heneng, anteng mireng keteg jajantung bari raket sili rangkul. Mémang karasa kanyaahna, perha- tianana. Ngan keukeuh asa ngoléang. Boa enya ngan hayang nganggap halteu pangreureuhan sementara. Teu hayang salilana bume- tah dina rasa cinta nu lana. Ngabandungan lalakon hirupna, numuwuhkeun rasa empati nu jero. Hirup gedé di jalan, kaayaan kolot nu ngan sabeulah méré sumanget keur néangan kahirupan sorangan. Teu hayang ngabeungbeuratan. Lunta ti lembur bari ngan modal nékad jeung tékad. Kuliah di jurusan seni- rupa, keur sapopoé teu ku- rangeun akal, sabisa-bisa Nyambung ka kaca 40
  28. 28. 28 Manglé 2439 G ubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan jeung Wagub Deddy Mizwar dibarengan ku Sekda Prov. Jabar Wawan Ridwan masrahkeun layang pangajen ka PNS (Pegawai Negeri Sipil) Pemprov. Jabar pikeun Jabatan Fungsional Teladan, Pejabat Struktural Pemprov. Jabar Teladan, Pengelola Kepegawa- ian Daerah Terbaik jeung Pelayanan Terpadu Satu Pintu Daerah Terbaik. Numareunang pangajentiGuber- nur teh nyaeta: pikeun Penyelenggara Manajemen Kepegawaian Terbaik Kluster I beunang ku Kabupaten Bogor ; Kluster 2 kategori jumlah PNSD 11 ribu - 16 ribu beunangna ku Kota Bekasi jeung dina kluster 2 kate- goriPNSD11ribupegawaibeunangna ku Kota Sukabumi. Satuluyna, OPD (Organisasi Perangkat Daerah) Prov. Jabar penyelenggara manajemen kepegawaian jumlah PNSD leuwih ti 300 urang beunang ku Rumah Sakit Jiwa Provinsi Jawa Barat. Pikeun ka- tegori antara 100 nepi 300 urang ku Bappeda Prov. Jabar. Sedengkeun dina kategori jumlah PNS dihandap 100 urang beunangna ku BPLHD Prov. Jabar. Pikeun PNS Pemprov. Jabar Tela- dan kategori pejabat struktural esse- lon IV : Teladan I Drs. Enok Ko- mariah, M.Kes dari RSJ Prov. Jabar ; Teladan II Dedi Mulyadi, s.STP, MSI , BKDprov.JabarsartaTeladanIIIH.E Agus Ismail, S.Sos, MPD dari Dinsos Prov. Jabar. Tingkat Pajabat Fungsional Ter- tentu nyaeta, teladan kahiji, nyaeta Hermin Wijaya, ST, M.Kom ti Disko- minfo Prov. Jabar ; teladan kadua, Hj. Siti Rodiah, SE ti BKD Prov. Jabar sarta teladan tilu Achmad Robiana, SE, M.Si ti Inspektorat Prov. Jabar. Dina Tingkat Pajabat Fungsional Umum/Pelaksana : Teladan I H. Ishak Idris S.IP ; Teladan II Junaida, Layang Pangajen keur PNS Tuladan Gubernur Jawa Barat H. Ahmad Heryawan masrahkeun layang pangajen ka salah saurang PNS
  29. 29. Manglé 2439 29 BSW jeung Teladan III H. Ade Isto- hari ti Bandiklatda Prov. Jabar. Panarima pangajen Gubernur se- jenna nyaeta Pelayanan terpadu satu Pintu (PTSP) : terbaik I BPTP Kab. Bogor ; Terbaik II BPPT Kota Bekasi ; Terbaik III BPPT Kota Tasikmalaya jeung harapan I, Kantor PPT Kota Cimahi. Gubernur Jawa Barat Ahmad Heryawan dina netelakeun kareu- eusna ka para para tuladan anu geus ngalaksanakeun pancen jeung tang- gung jawabna dina lingkungan gawena. "Mudah-mudahan pangajen ieu bakal tiasa janten pangrojong su- manget, dedikasi, profesionalisme sareng kataatan di lingkungan da- melna sarengna deui tiasa janten conto kanggo PNS nu sanesna” ceuk gubernur reueus. Husus keur Badan Kepegawaian Daerah (BKD) Gubernur nepikeun pangajenna kana inisiatifna dina ngagelar kagiatan nitenan katuladan sarta miharep sangkan taun hareup kagiatan saperti kieu ditambah jeung dironjatkeun deui kualitasna.*** (AS) Bandung Diusulkeun ka Unesco Jadi Kota Kreatif K ementerian Pariwisata dan Ekonomi Kreatif (Ke- menparekraf) ngajukeun opat kota di Indonesia, nyaeta Bandung, Yogyakarta, Solo, jeung Pekalon- gan minangka jadi kota kreatif ka lembaga PBB di widang pendidikan, ilmu pengetahuan, jeung budaya atawa UN- ESCO. "Pamarentah parantos ngajukeun berkasna ka UN- ESCO sareng nunjuk konsultan, dipiharep tiasa diproses taun ieu nu harepanana tiasa diumumkeun taun payun," ceuk Menteri Parekraf Mari Elka Pangestu. Jaringan kota kreatif dikaluarkeun ku UNESCO dina bulan Oktober 2004 ngaliwatan seleksi ketat pikeun sababa- raha kota anu nga- jukaeu jadi kota kreatif di dunia. Menteri miharep, dina opat kota di In- donesia ieu bisa asup dina jaringan kota kreatif dunia versi UNESCO ku rupa- rupa mangpaat infor- masi sakaligus pro mosi daerah. "ieu teh salah sa- hiji tarekah kanggo ngarojong kota-kota di Indonesia supados tiasa langkung soson-soson dina nyiapkeun sarana sareng prasarana boh dina fisikna atanapi nonfisik kanggo ngawujudkeun jadi kota kreatif anu dikenal di dunia," pokna. Menteri netelakeun, UNESCO ngategorikeun kota kre- atifdinaduagolongannyaetakotaberbasiskerajinanjeung kota berbasis disain. "Intina UNESCO bakal ningali “`urban planning con- cept”-na, tos tiasa ngarojong kreativitas masyarakatna, ngawangun sarana sareng prasarana henteu mung saukur fisik tapi oge nonfisik," pokna deui. Nurutkeun Mari Elka Pangestu, di sajumlah kota anu di- anggap pantes pikeun diajukeun jadi kota kreatif, misalna Solo dina tiap akhir mi- nggu teh jalan-jalan ditutup nu tujuanana nyicptakeun ruang kreatif keur masya- rakatna. "Masarakat teh ngagelar pameran, mere kasempatan UKM sangkan tiasa ngayakeun pameran, performance art, mal- ihan mah masihan izin usaha gratis ka- nggo UKM," pokna teh. Bandung minang- ka salah sahiji kota anu dipromosikeun sangkan bisa jadi kota kreatif ti UNESCO dipiharep bisa nga- buktikeun jeung tetep mertahankeun sagala rupa aset jeung SDM na nu ayeuna memang geus mimiti dititenan ku bangsa deungeun utamana UNESCO.*** (AS) Menteri Pariwisata dan Ekonomi Kreatif Mari Elka Pangestu.

×