2. L awangSakéténg
Ngudag Hirup Pinanggih Hurip
K
ahirupan mah teu sakelir. Tumpa-tumpa
henteu rata. Nya ku lantaran béda-béda téa,
bisa jadi cukang lantaran silihpikabutuh.
Liar cai, bisa sotéh mayéng ngocor lantaran nu
kaliliwatanana luhur-handapan.
Ngan, tangtu sual karaharjaan mah, aya ugeran
anu jinek. Najan béda, ulah nepi ka jadi pasualan
sosial nu matak bengkah. Béda-béda kaayaan mah,
tangtu, ngan ulah ganjor teuing, ulah kawas jurang
nu lungkawing.
Ukuran karaharjaan, aya tatapakanana. Puguh
rengkolna dina undang-undang. Di dinya aya catetan papagon sangkan rahayat hirup jeung huripna.
Copélna, bisa nyumponan bubutuh hirup
sapopoéna, pangan, sandang, jeung pangiuhanana.
Nu saterusna jadi cukang lantaran tinemu bagja.
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
Upaya ngaronjatkeun karaharjaan, misti tuluytuluyan. Lian ti kitu, deuih kudu diupayakeun ku
sakumna pihak, boh pamaréntah, boh masarakat.
Hartina, masarakat gé kudu jadi palaku, lain ukur
nu jadi sasaran program pamaréntah.
Tumali jeung karaharjaan masarakat, pamaréntah
daérah gé misti boga lengkah anu jinek. Da, nu pangraketna ka masarakat mah masing-masing pamaréntah daérah. Nya pamaréntah di ieu tingkatan, nu bisa
ngararasakeun keteg haté masarakatna.
Mitra, tumali sareng kamajengan daérah, Manglé
teu weléh ilu-biung ngarojong kamjengan daérah.
Ngalangkungan parakorésponden di daérah, warta
daérah tiasa dipidangkeun geusan silihpikawanoh
sareng sasama nu sarasa, sabasa, ogé sabudaya.
***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3. Jalan Nu Panjang
5
TAMU
Teu karasa waktu nu disanghareupan
kari dua taun deui. Taun 2015 kuring rék
mungkas tugas, ngécagkeun pancén nu
geus 38 taun dipajuan. Enya umur téh
dua taun deui 60 meureun. Geus lila
ning hirup di dunya téh. Lain teu karasa,
karasa pisan lilana éta waktu. Tapi ku
kasibukan digawé jeung nyanghareupan
nu kudu diréngsékeun nya jadi nyérélék
waktu téh................
M. Ridwan Kamil;
Mémérés Bandung, Pribumi Ulah Pundung
LAPORAN
Pasawahan Salin Rupa
Alatan Aturan teu Peurahan
........................................................... 8
Mangle Alit ...................................... 51
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
DI KIWARI MACA BIHARI
Ronggéng Gunung Sisingaan
......................................................... 41
Potret : Reisyan
KOLOM
“PANCABUDI”
Peperenian Karuhun Keur Para Guru
Prof.Dr.H.Asep Sjamsul Bachri, M.Pd.*)
......................................................... 46
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Aweuhan .......................................... 17
Gedong Sate ...................................... 42
Katumbiri .......................................... 44
Bale Bandung .................................... 50
JAGAT WANGWANGAN
( 17 - 40 )
4. K acaTilu
Hakim Artidjo
A
ya béja cenah Universitas
Islam Indonesia Yogyakarta
aya niat arék masrahkeun
penghargaan (award) ka hakim Artidjo Alkostar. Mémang éta téh
salasahiji tradisi UII. Diantara anu
geus meunang award saméméhna
aya Amien Rais jeung Mahfud MD.
Tapi Artidjo cenah nolak kana
éta rencana. Alesanana lantaran
nurutkeun étika, hakim teu meunang narima hadiah naon baé.
Tangtu wé sikep Artidjo anu sakitu
tandesna téh bisa nimbulkeun
rupa-rupa pamanggih. Naha ari
award bisa digolongkeun kana hadiah?
Rék kumaha baé koméntarna,
sikep Artidjo saperti kitu sajalan
jeung tangtunganana salila ieu.
Dina putusan-putusanana Artidjo
bisa jadi hiji-hijina hakim di urang
anu ngukuhan pisan kana étika.
Putusan-putusanana lain ngan
sakadar ngandelkeun pasal-pasal
nu aya dina undang-undang, tapi
ogé dipatalikeun jeung masalahmasalah étika katut moral.
Angelina Sondakh anu ngajukeun kasasi dina urusan hukuman
anu geus ditibankeun ku pengadilan Tipikor, apan ku Artidjo mah
kalah
ditambahan
lantaran
tinimbanganana dipatalikeun jeung
kalungguhan Angelina saméméhna
katut sikepna dina nyanghareupan
urusan hukum. Kitu deui waktu Artidjo mutuskeun hukuman anu
kudu ditibankeun ka dokter anu
ngajalankeun praktékna méngpar
tina étika.
Cindekna, geus sababaraha kali
putusan hukum anu ditéken ku Artidjo Alkostar nimbulkeun kontrovérsi.
Geus ti béh ditu kénéh Artidjo
Alkostar rada mindeng kacaritakeunana. Manéhna téh hakim anu
hirupna basajan pisan. Sanajan
kalungguhanana hakim agung, tapi
sapopoéna mah prah waé jeung
rayat biasa. Mobilna gé mobil kolot.
Malah ka kantorna mindeng kana
beus atawa bajaj.
Henteu loba hakim atawa
paming pin di urang anu ludeung
hirup saperti kitu. Dina harti
ngandelkeun gajihna anu teu
sabaraha lamun dibandingkeun
jeung pangabutuhna sapopoé.
Umumna mah apan sok subatsabet, kaasup ngarasa normal
lamun ngala duit tina perkara anu
keur diurusna.
Kahirupan Artidjo Alkostar papalingpang pisan jeung Akil
Mochtar. Malah lir ibarat bumi
jeung langit. Padahal duanana gé
sapangkat, pada-pada hakim
agung. Akil mah mobilna gé puluhan, jaba euweuh hiji gé mobil
kolot. Atuh imahna di mana-mana.
Sabenerna, jalma-jalma anu
pamadegan hirupna saperti Artidjo
téh aya kénéh nu séjénna, najan teu
réa. Di lingkungan kehakiman
upamana kungsi aya Baharuddin
Lopa jeung Bismar Siregar anu
henteu kabawakeun ku lingkunganana anu korup. Atuh di kepolisian
kungsi aya Hoegeng Iman Santoso
anu teu teurak ku disogok.
Bung Hatta ogé nyontoan hirup
henteu kokomoan. Dina sakalina
kabita hayang sapatu mérek Bally
apan henteu bisa langsung kop kitu
baé. Hirup saperti kitu téh beuki
dieu kalah beuki pada ngajauhan.
Pamingpin di urang, kaasup anu
jareneng dina urusan hukum,
agama, pendidikan, geus kabawa
palid ku kahirupan anu hayang
sarwa gaya, sarwa gampang jeung
pupujieun.
Di Kota Bandung anyar kénéh
kajadian. Caritana Kepala Dinas
Pendidikan téh tacan aya gantina
sabada Odji Mahrodji pangsiun.
Wali Kota Bandung nu anyar, Ridwan Kamil naratas gaya anyar anu
geus dicontoan ku Jokowi di
Jakarta. Milih kepala dinas nu
anyar henteu sakumaha ilaharna,
cukup ku ditetepkeun dina surat
kaputusan, tapi ieu mah ku jalan
dilélang. Sing saha anu nyumponan
sarat-saratna, nya manéhna anu
bakal diangkat.
Dina derna diayakeun lélang,
cenah taya saurang gé anu
nyumponan sarat. Saréréa milu
reuwas, piraku nepi ka kitu
kajadianana? Piraku di sakuliah
Kota Bandung euweuh hiji gé
jelema anu pantes jadi Kepala
Dinas Pendidikan? Apan jelema
sakitu lobana?
Padahal anu jareneng di widang
pendidikan di Kota Bandung kiwari, apan sakitu garindingna. AM
Manglé 2458
3
5. K oropak
Program Citarum Bersih
Alhamdulillah, ku jalaran
aya program Citarum Beresih
mugi sing janten modal awal
kanggo urang sangkan ngamumulé ieu sumber kahuripan. Nanging sim kuring badé
sakedik masihan saran kanggo
program ieu, duméh ari
ngadamel atanapi nyiptakeun
lahan
konservasi
di
sababaraha désa percontohan
mah....tangtos bakal di rojong
ku warga. Kumargi da ari
hakékat urang sunda mah
tangtu bakal ngarojong naon
rupi program ti ais pangampih
anu tujuanana kanggo kamaslahatan balaréa.
Anu kedah janten konsentrasi mah justru di palebah
anu ngotoran ieu citarum
nyaéta ti kalngan industri anu
kacida teu gaduh haté jeung
rarasan pikeun miceun limbah
ka walungan. Sarengna deui
anu ngajanten keun simkuring
ngarasa sedih téh, éta Citarum
bisa gunta-ganti kelir caina
téh. Poé Ahad hideung, Senen
bulao, Salasa beureum jst.
Kanggo bahan perbandingan mah...mangga sindang
ka Karawang...anu éta kota
dikurilingan ku Citarum....da
meni bingung naha teu aya
departemen atanapi pihak pamaréntah anu ngurus kana
lingkungan sareng kalestarian
alam? Upami jawabana aya,
naha enya teu katingal éta cai
anu samodél kitu? Ahirna sok
jol rasa suudzhan...boa anu
katingalina ukur duit tina anu
miceun éta limbah. Nauzubilah himindalik...lamun tos
kitu kaayanana.
Tah ku kituna anu kudu
jadi konsen pisan ti aparat
pamaréntahan provinsi, salian
ti ngadamel lahan konsevasi
téh, nyaéta mastikeun gaduh
wawanén ajang merangan
kakuatan duit anu ngaluakliukeun aturan sangkan bérés
4
Manglé 2458
ku
alatan
ditingalikeun
angka...duit.
Sakali deui simkuring
ngarojong kana program ieu.
Kantenan sareng ngadoakeun
mugi ieu program sing aya
dina rido Alloh nu Kawasa,
sareng dipasihan kasadaran
ka sadayana kanggo niténan,
yén pentingna alam kanggo
kahirupan.
Pungkas ti simkuring, ti
ngawitan Bapak Gupernur
dugi ka rahayat paling handap, hayu urang perangan
kadoliman anu ngeunaan
ngancurkeun kana sagala
sendi kahirupan di Jawa Barat
hususna, atuh umum na di
nagara urang. Amin. ***
Baktos
Ikhsan Santosa
Email :
isantosa8@gmail.com
Wilujeng Taun Anyar
Sampurasun!
Wilujeng enjing Nyi
Mangle? Muga daramang,
sarehat lahir batin. Simkuring
sareng sakulawarga oge alhamdulillah
daramang.
Duh...sok waas ari ngadamel
serat ka Mangle teh, asa ka
wargi nyalira. Atuda Mangle
mah ti kapungkur oge asa
caket, ati Sunda jati Sunda tea.
Sakali deui nuhun pisan ku
tiasa dimuatna ieu serat.
Nyi Mangle, singhoreng
sakedap deui urang teh rek
ganti taun. 2013 ninggalkeun
ganti jadi 2014. Ganti taun teh
meureunan lain saukur ganti
angka taun, tapi meureunan
kudu ganti atawa robah
sagala. Kumaha Nyi Mangle,
bade robih? Ah nuhun bae
pami aya emutan bade robih
mah. Tangtu simkuring mah,
miharep robihna teh ka nu
langkung sae. Terus terang
wae, Mangle ku abdi mah
seueur ditawakuf pisan. Sok
sanaos ampir tiap minggon
sok nepangan kekecapan nu
lepat, ah meureunan eta oge
tos maksimal damelna. Tapi
keun bae, nu atos-atos mah.
Ayeuna mah urang emutan
kanggo kapayunna. Mudahmudahan wae ulah mendakan
deui kalepatan. Dina hartos
upami aya kalepatan deui
mah, hartosna Mangle alim
robih.
Punten nya simkuring
nyarios kitu. Ieu mah sanes
naon-naon balas nyaah ka
Mangle teh. Eta oge meureun
seueur surat nu lebet ka koropak Mangle perkawis nu
didugikeun ku simkuring.
Estuning ieu mah etang-etang
nyaketkeun deui silaturahmi
bae.
Saperkawis eta, atuh aya
sababaraha
nu
hoyong
didugikeun perkawis ngeusian
taun 2014, utamana dina sual
kamekaran budaya Sunda.
Budaya Sunda, memang keur
simkuring mah lain wungkul
katembing dina pagelaran
atawa seni Sunda, saperti
angklung, jaipongan, silat
jeung sabangsana, tapi keur
Simkuring mah, kamekaran
Sunda teh aya dina polah diri
urang sorangan, nyaeta anu
Nyunda. Nu kumaha anu
nyunda? Kantenan simkuring
miharep nyaeta anu luyu
jeung pasipatan Sunda nu kacatet dina ayat-ayat atawa
paribasa Sunda. Boh keur dirina, keur lingkungan, keur
sasama, saluhureun, sahandapeun atawa nu aya patalina
hubungan sareng Alloh Swt.
Tah nu pandeuri mah malahan kedah diutamikeun. Dina
hartos urang Sunda mah
kedah agamis, kedah islami.
Lantaran, singhoreng Sunda
mah dalit pisan jeung Islam.
Hartina paripolan urang
Sunda mah, islami pisan.
Hartina, upama urang Sunda
korupsi, nya lain urang
Sunda.Urang Sunda koret lain
urang Sunda. Urang Sunda
sok gibah, riya, tara solat,
hawana hayang nyarekan bae,
henteu tawaddu, sombong
adigung, gede hulu asa aing
pangbenerna, jeung sabangsana, eta teh lain urang Sunda.
Palebah dieu mah simkuring
mah urang Sunda mah aya
dua golongan. Kahiji nu
nyunda, kadua golongan nu
munafik. Munafik teh, luarna
jiga Sunda, tapi jerona mengpar ti Sunda.
Tah, dina taun 2014 mah,
hayu urang singkahan polah
nu patojaiyah jeung pasipatan
Sunda. Carana kumaha? Nyi
Mangle simkuring aya usul,
kumaha upama aya nu
nyusun deui buku gede, panduan sangkan urang Sunda
apal, saha nu nyunda teh.
Kadua, boh pamarentah boh
paguyuban Sunda, masing
ulah bosen-bosen ngabewarakeun malah ngajak, sangkan
jadi jalma nu Nyunda. Malah
unggal minggu mah pamarentah kudu ngajeblagkeun baligo
nu badag, ngeunaan pangajak
eta bari dasarna paribasa
Sunda. Asana endah upama
kitu.Contona wae dina spanduk teh atawa baliho teh, ‘NU
KORUPSI LAIN URANG
SUNDA’ atawa ‘NU BODO,
NU KORET, NU GIBAH, NU
TARA SOLAT, LAIN URANG
SUNDA!’. Tah, simkuring
mah usul teh kitu. Henteu jiga
ayeuna, mani suwung pisan
para inohong, paguyuban
atawa pamarentah Jawa Barat
daek
ngajak
masarakat
sangkan bener, luyu jeung
pasipatan urang Sunda.
Sakitu wae surat anu tiasa
didugikeun. Hapunten bilih
aya kekecapan nu kirang merenah.
Wassalam,
Pa Udin Hamdan
Ti Bojong Kacor
Cimenyan
Cibeunying Bandung
7. T amu
M
ahing élmu ajug! Kitu
pibasaeun nu merenah
dilarapkeun ka M. Ridwan
Kamil, Walikota Bandug mah.
“Ulah ukur ngagaduhan gagasan
sareng mapatahan, tapi kedah
prakna di mimitian ti diri pribadi,”
ceuk Walikota Bandung, Jawa
Barat.
Kahayang nu dibarung ku prakna
téh, di antarana tumali jeung
ngabebenah kota Bandung. Saperti
nu tumali jeung pasualan patalimarga, misalna, nu ditartibkeun teh,
jalan jeung nu marakéna. Atuh, dina
sual ngungkulan macétna jalan,
walikota ge ngompanyekeun maké
sapédah. Lain ukur umajak, da inyana gé, jeung prakna, ngabiasakeun
maké sapédah mun indit-inditan
téh.
Nu jadi kacapangan, waktu kompanye, mémang patékadanana.
Karepna gé mémérés kota Bandung
sina nanjung. Apan, kekecapanana
ge, Bandung Juara! Nu hartina,
sagalana nu aya di Bandung mah
kudu punjul. “Nu diprogramkeun
kedah teras ditaratas dilakasanakeun,” pokna basa ngawangkong di
kantorna, Balé Kota Bandung, Jalan
Wastukancana.
Karep ngobrol jeung walikota,
teu gampang. Manglé gé hayang
tepung téh hésé naker. Geus paheut
méré waktu gé, walikota ngabolaykeun. Kakara saminggu ti harita dijadwalkeun deui wawancara. Atuh,
waktu ngajangjikeun tepung tabuh
lima soré, kakara laksana tabuh
tujuh peuting. Kitu téh, lantaran
walikota, udar-ider ka lapangan.
Tuman prak ngalaksanakeun
pagawéan ku sorangan, ieu walikota
nu kakara mancén gawé tilu bulan
teh, teu ukur resep tukangeun méja.
Najan percaya ka balad-baladna nu
migawe masing-masing pancénna,
tetep inyana mah kudu nyaksian
bulé-hideungna di lapangan. “Dina
saratus dinten mancén tugas, sababaraha padamelan tos dilaksanakeun,
mangga wé uningaan,” ceuk ieu walikota pituin Bandung téh.
Pasualan padagang kaki lima
(PKL), tembong hasilna, saperti nu
kasaksén di Jalan Kapatihan. Ti
mangsa ka mangsa, urusan éta téh
teu weléh jadi garapan gawé walikota Bandung. Mémang, lir siraru
PKL mah, matak riweuh hésé
disingkahkeun. Mun dibuburak gé
bréng deui wé. “Pamarékanana
kedah jinek, paparin heula solusi,
nembé ditartibkeun,” pokna.
Mahing nu Pundung
Guluburna dayeuh Bandung,
M. Ridwan Kamil, Walikota Bandung
6
Manglé 2458
tembong di mana-mana. Cacandran
Bandung heurin ku tangtung, geus
lila jadi kanyataan. Ngan, nya kitu,
lobana nu bubuara di dayeuh
Sangkuriang téh, loba mamalana.
Lahan padumukan, mingkin lila
mingkin heureut.
Tempat
kasab
masarakat
sabudeureunana, salin rupa jadi
gedong, toko, jeung pabrik. Lahan
pasawahan,
tempat buburuh
laleungitan. Atawa, mun usum
palega, lahan téh pangulinan ingoningon saperti munding, domba,
embé, jeung sajabana, éta gé kari
dongéngna.
Heureutna
lahan
pakasaban, ngalantarankeun loba
nu leungiteun pangharepan. Antukna, pribumi nu hirup dalit jeung
alam loba nu teu kuat nandangan
hirup di lembur sorangan. Milih
‘nyisi’, ingkah ka lembur nu jauh ti
dayeuh Bandung.
Jlug-jlegna wawangunan sigrong
di ieu kota, keur sabagian warga
Bandung mah jadi mamala. Lobana
nu hirup teu jeung huripna, teu boga
padumukan, oge teu boga pakasaban, butuh panalingan anu jinek ti
pamarentah kotana. “Ku margi kitu,
nu kedah dironjatkeun téh SDMna,” ceuk ieu walikota nu lahir di
kota Bandung téh.
Program Kota Bandung, mé-
Memeres Bandung bari prakna
8. mang jinek, ceuk Ridwan mah.
Urang Bandung kudu meunang
panalinga daria ti pamarentah kota.
Contona, tumali jeung PKL, nu
diutamakeun teh nu boga KTP Bandung. Hartina, keur pribumi, urang
Bandung lolobana mah.
Tumali jeung padumukan gé
kitu. Imah-imah basajan atawa nu
katelah
rumah susun sewa
(Rusunawa) nu diadegkeun ku
pamarentah kota, disayagikeun keur
urang Bandung. “Tangtos asal luyu
sareng pasaratanana,” pokna.
Kumaha ari panalinga ka barudak sakola? Walikota gé jinek, méré
béasiswa keur barudak Bandung nu
sarakola! “Program sapertos kitu,
neueul kana kapentingan warga
Bandung,” pokna.
Loba rarancang gawé nu keur digederkeun, saperti nu tumali jeung
lingkungan. Bandung nu sohor tiis
hawana, mingkin dieu mingkin
panas. Usum halodo mah nyongkab.
Kitu teh, lantaran loba lahan nu
asalna remet ku tutuwuhan, salin
rupa diparaké wawangunan. Nu
kawas kitu téh, saperti padataran
dayeuh Bandung tatar kalér. “Ti
ngawitan ayeuna, tos aya kacindekan, aya aturan husus nu tumali
sareng wawangunan di kota Bandung,” ceuk Ridwan Kamil nu ahli
nata kota téh.
Malah, pihakna bakal tigin kana
aturan. Moal gampang méré idin
keur nu ngawangun tatar Bandung
pakaléran. “Malah upami nyatanyata mengpar tina aturan,
wawangu nan nu tos ngadeg gé
tiasa dibongkar,” pokna tandes
naker.
Nu boga karep ngawangun di
Bandung wewengkon tengah, kudu
tigin kana aturan. Di lebah dinya
mah, apan loba wawangunan nu
ngandung ajén sajarah. “Ulah dugi
ka wawangunan nu lebet cagar budaya reksak atawa musnah,” ceuk
ieu walikota nu resep macaan bukubuku sajarah téh.
Di mana mekarkeun wawangunan? Aya ajangna. Nu boga karep
ngawangun mah bisa kénéh di tempat séjén, saperti wewengkon
dayeuh Bandung beulah kidul jeug
wetan. Kitu ceuk M. Ridwan Kamil
nu katelahna Kang Emil téh.
Ngaji Rasa
Ridwan Kamil engeuh pisan,
loba kabiasaan mangsa ka tukang nu
teu bisa dilakonan deui. Apan, keur
jadi pagawe mah, lakar daék ingkahingkahan gé. Remen kalana- kulunu
ka toko buku, da karesepna di
antrana macaan sajarah jeung buah
pikiran para inohong tingkat dunya.
Kaweruh kana sajarah jeung budaya, karasa pisan pentingna keur
pamingpin
mah.
Da,
nu
disanghareupanana oge masarakat
Pribumi Bandung ulah pundung
nu miboga rupa-rupa adat, pasipatan jeung kabiasaan. Hartina, jadi
pamingpin
teh kudu bisa
ngararampa angen-angen wargana.
Ngajak urang Bandung mémérés
kotana, ceuk Pa Wali mah, teu
susah. “Urang Bandung gampang
diajak gotong-royong, babari diajak
kana kahadéan,” pokna.
Ngan, cenah, memang kudu aya
nu ngajakna. Da, lir nu narungguan
kandaraan di sisi jalan, mun taya
kandaraan nu ngaliwat mah angger
wé caricing. Hartina, kudu loba nu
ngajakna. Bukti cenah, waktu walikota ngajak warga nyieun sajuta
sumur seserepan (biopori), apan eta
pangajak teh meunang pangbagéa ti
saban pihak. Warga Bandung, saban
kulawarga, ubyag nyarieun sumur
seserepan.
Loba kabiasaan Kang Emil
mangsa lawas, nu kari waasna.
Ngan, kabiasaan sasapédahan mah
angger keneh. Da, loba mangpaatna, cenah, keur dirina mah. Lir
reureuh tina kariweuh, bari sapaparat jalan bisa nyalsé ngimeutan
kaayaan patempatan. Sakalian olah
raga, bisa pataréma leungeun jeung
warga Bandung nu tepung di jalan di
pasampangan. Bari ngaboséh sapédah, Kang Emil gé, bisa nyurahan
kaayaan
palemburan
geusan
ngararasakeun
keteg
haté
masarakat. ***
(Ensa/Dedas)
Tibelat ka mangsa lawas
Manglé 2458
7
9. L aporan
Pasawahan
Salin Rupa
Alatan
Aturan
teu Peurahan
Pasawahan ngaheureutan. Balukarna, loba nu
leungiteun pakasaban. Naha enya kitu téh
balukar aturan teu peurahan?
***
dadasarna, aya réngkolna anu jinek,
dina aturan daérah. Enya, apan écés aya
Peraturan Daerah (Perda) No. 27 taun
2010. Di dinya téh jinek naker, lahan
tatanén anu mayeng (berkelanjutan),
teu meunang digunasika. Atuh, mun kapaksa-kapaksa teuing, ogé kudu keur
kapentingan umum nu dumasar kana
deui nu asalna rawa gé dibebenah, dijieun sawah. Mun leukeun ngimeutan
tarékah karuhun, bakal atra tapak lacakna ngupayakeun kamandirian turunana téh. Salah sahiji conto bupati
Bandung
baheula,
R.A.A.
Wiranatakusumah V (1888 – 1965),
mah waktu jeneng bupati Cianjur, apan
G
eura langlang palemburan! Di
tatar Sunda, moal weléh bruhbréh pasawahan. Mun ditempo
ti luhur, padumukan téh patingarenclo
lir pulo-pulo. Lahan nu ngampar
warna-warni sakapeung héjo, sakapeung konéng, da puguh antara lembur
jeung lembur téh kaselang ku uplukaplakna pasawahan. Iraha éta téh? Naha
masih kénéh kitu? Sawaréh mah, kari
dongéngna! Remen kasaksén gerungna
alat-alat pangeruk taneuh, ngaranjah
pasawahan. Atuh, teu anéh, upama
ahirna , lahan pasawahan kari urutna.
Geura bandungan wé, lahan-lahan
saperti di Karawang, Bekasi, Subang,
Majalengka, Kabupatén Bandung, jeung
sajaban, loba nu robah wanda. Kitu deui
daérah-daérah séjénna, nu ngaranna
sawah mah, loba nu robah wanda, jadi
pabrik, toko, jeung paimahan.
Naha taya tarékah? Ih, palias! Mun
mah, kudu diomongkeun, teu weléh
wéhwél Ahmad Heryawan, Gupernur
Jawa Barat gé. Méh dina saban kagiatan
Kang Ahér teu weléh cumeluk jeung
umajak, sangkan masing-masing pihak
engeuh jeung miduli kana lahan tatanén.
“Sawaah nu caina ku irigasi téhnis
kalayan bisa panén sataun tilu kali, kudu
dipiara ulah nepi ka robah pungsina!”.
Tah, kekecapan pamingpin tatar Sunda
téh remen pisan kabandungan ku
balaréa.
Horéng, kekecapan gupernur kitu
téh aya tatapakanan. Nyarék téh puguh
8
Manglé 2458
Gupernur Jawa Barat, Ahmad Heryawan
panalungtikan anu gemet. Kacocéngna
ulah leuwih ti sapuluh persén tina legana
nu nyampak di dinya. Lian ti eta kudu
geus aya pigantieunan.
Perda mah, mémang tembrés. Lir
kekecapan kolot, mun butuh supana
kudu daék miara catangna. Sawah téh
keur padumuk lembur mah, lain ukur
lahan paré, tapi deuih jaminan lumangsungna kahirupan nu raket tumalina
jeung alam atawa lingkungan. Kasaksén,
robahna pasawahan saperti jadi
perumahan, nu leungit téh lin ukur béas
tapi deuih sirnana sora-sora embé,
munding, jeung rakékna meri!
Leupas Kadali
Nu kiwari, lain bihari. Karuhun
Sunda baheula, ngahaja ngabedah lahan
nu asalna tegalan jadi pasawahan. Kitu
ngaja ngabedah Rawa di Cihéa, Ciranjang Cianjur. Rawa panonoban reungit malaria mangsa harita, disulap jadi
sawah nu legana 2500 hektar! Carita
kitu, natrat dina haté rayat, rasa
tumarimana diukir dina prasasti. “Ku
jasana Radén Tumenggung Wiranatakusumah Bupati Cianjur 1912-1920
rawa reungit malaria ieu diciptakeun
jadi pasawahan upluk-aplak héjo-lémbok tur karaos hasilna ku rahayat turuntumurun.” Rahayat nu nyieun prasati
(tugu), teu lali ka purwa daksi. Kanyaah
karuhun natrat nepi ka kiwari. Jasana,
jadi tuturus hirup nu jeung huripna, ti
bihari ka kiwari.
Tapi, tatar Sunda mah da pangauban. Kaseundeuhan ku nu ti mana nu ti
mendi. Najan nyémah, sageuy hirup
ukur sararak-siruruk. Atuh, nu gedé
10. ‘kanyaahna’ ka sasama, jeung ‘telik’ kana
pihasileun,
dug-deg nyadiakeun
perumahan, pabrik, jeung sajabana. Pabetot-betotna kabutuh balaréa jeung
kauntungan pribadi pangusaha jugala,
Perda nu jadi panyalidungan rahayat
Jawa Barat gé dilabrak. Robahna pungsi
lahan, lir kuda leupas kadali!
Nu ngadon usaha di Jawa Barat, paheula-heula, ‘ngaririhan’ sawah-sawah
urang lembur. Dibibita ku harega, nu
keur ukuran bulu tani mah pikauruyeun.
Antukna, kagelo ku pangbibita!
Leungit lahan, ilang tatapakan
kahirupan. Nu ngajarual sawah gé, kapaksa lunta nyisi ngajauhan lembur
asalna. Lunta ti lembur, lain ukur
leungiteun lahan usaha, tapi deuih
anggang tina kanyaah dulur jeung
harepan urang Jawa Barat, tapi deuih
urang Nusantara sakumna. Matak, teu
anéh upama Himpunan Kerukunan
Tani Indonesia(HKTI) Perwakilan Jawa
Barat kacida miharepna Pamaréntah
Provinsi (Pemrov) Jabar ngancokeun
anggaran nu mihak kana cumponna
pangan dina taun 2014.
Ketua Harian HKTI perwakilan
Jabar Entang Sastraatmadja nétélakeun
upaya Pemprov Jabar dina ngararancang kakuatan pangan taun 2014, minangka leuitna pangan nasional.
“Pakarepan kawas kitu bisa ngawujud upama ayana pulitik anggaran nu
mihak kana anggaran keur kapentingan
tatanén di Jawa Barat,” pokna sawatara
waktu ka tukang.
Salila ieu, ceuk Entang, alokasi
Lahan tatanén salin rupa
baraya.
Ti baheula mula, Jawa Barat mah
sohor lahan tatanénna. Malah, kaasup
leuitna paré nasional. Atuda, méh 23
persén tina legana lahan 29,3 rébu kilométer pasagi, disadiakeun keur lahan
tatanén pangpangna paré. Mémang, teu
bisa dileuleungit Jawa Barat mangrupa
‘pabrikna’ béas keur ékonomi Indonésia, da hasil tatanén ti ieu wewengkon
téh nyumbangkeun 15 persen tina total
tatanén Indonésia.
Hasil tatanén Jawa Barat téh
ngawengku béas, jagong, bungbuahan
jeung sayur-sayuran. Di sagigireun éta,
ngahasilkeun entéh, kalapa, sawit,
karet, gula, coklat jeung kopi.
Pentingan tatanén di Jawa Barat,
jadi harepan balaréa. Kitu téh, lain ukur
bakal ilang harega diri. Da, nu kawas
kitu mah, hirupna ge ukur aya dina
tungtung curuk batur.
Dina sagala urusan, urang Sunda,
loba keneh nu ‘sadaya-daya’, kumaha
nu dibendo. Atuh, kacida pentingna,
pamingpin ngarti kana pasipatan
rahayatna. Komo deui, ari pamingpin
tatar Sunda nu ‘diariket’ mah, meureun
moal susah nagrti dan sabudaya rasa
jeung wargana!
Ngurus ngatur kahirupan, mémang
kudu jinek! Kudu napak kana aturan
anu nyampak. Ngan, tatapakan saperti
Perda, bisa sotéh peurahan, mun dicekel
kadalina ku nu boga kakawasaan. Da,
percumah, mun lir oray teu peurahan
mah.
Tumali jeung urusan pangan, ke-
Miara pasawahan, kahayang dibarung prakna
anggaran nu teu nyukupan, jadi cukang
lantaran lobana pasualan di sakumna
sektor, nya sual tatanén gé teu iwal.
Lain ngan ukur kitu, ceuk ieu urang
HKTI, aya sababaraha lengkah nu kudu
ditalingakeun dina ngagrancang kaajegan pangan. Naon téa? Ceuk Entang
mah, kawijakan regulasi anu hadé dina
ngabebenah sarana jeung prasarana
tatanén, ngeureunan robah pungsi
lahan tatanén, ngaronjatkeun hasil, ngamangpaatkeun
téhnologi,
jeung
ningkatkeun panyuluhan.
Pasawahan, lain ukur amparan
lahan. Di dinya, nyidem rupa-rupa harti
nu nyamuni. Surahaneun, sangkan
hirup tinemu hurip. Leungitna sawah,
lain ukur ilang paré, da ogé loba rambatkamaléna. Lir nu teu boga lemah cai,
tang, teu kudu ngandelkeun urang ‘girang’. Nu dumuk di palemburan,
sageuy teu aringet kana papatah kolot.
Apan, cenah, mun butuh supana kudu
daék miara catangna. Tah, nu kaws
kitu aya kénéh conto kiwari gé. Di
mana? Tuh, di pasisian dayeuh Bandung, di wewengkon nu katelah
Sangkan Hurip. Di dinya, aya celakcelak cahaya kasadaran, lir kérélékna
cai keur nu hanaang tengah poé mentrang-mentring. Gupernur gé, guligah
tur bungah basa ngadongdon éta tempat téh. Da, geuning lain ukur
lalambé, warga di dinya mah miara
lahan tatanen téh. Pihak pamaréntah
éta désa, nyieun plang, nu nétélakeun
sawah di dinya teu meunang digunasika. *** (Ensa/AS)
Manglé 2458
9
11. K olom
“PANCABUDI”
Peperenian Karuhun Keur Para Guru
Ku Prof.Dr.H.Asep Sjamsul Bachri, M.Pd. *)
A. Kasang Tukang :
Pangéling-ngéling hari guru nasional
unggal tanggal 25 Oktober, unggal taun
guru dicombo ku Pamarentah yén 20 %
APBN/APBD keur widang pendidikan,
tuluy dipageuhan ku Undang-Undang
nomor 14 taun 2005 pikeun guru jeung
dosén dina émprona guru téh paling copél
kudu lulusan S1 (sarjana). Ari dosén dipaguron luhur mah kudu S2 (Magister)
basana ogé moal enya ‘jeruk makan jeruk’.
Pikiran urang saréréa yén pangasilan guru
ronjat sagajih poko ditambahan ku tunjangan daérah , kalayan katangtuan ngajarna teu meunang kurang ti 24 jam
pelajaran. Upama kurang ti 24 jam, tunjangan profesina moal dibikeun.
B. Masalah
Waktu bank dunia niténan aya hubungan anu signifikan antra guru nu disertifikasi jeung parobahan sikep dina ngajar.
Ceuk guru rék kumaha bisa tingtrim ngajar, KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) nu kamari can parat, geus jol deui
waé Kurikulum 2013, anu sifatna tematik,
kudu maké téknologi informatika, nu
gaptek mah tinggaleun.
Dina urusan kepegawaian meuntenna
kudu dumasar kana kinerja, kumaha
meunteunna? Tingkatan guru ti mimiti
guru pratama, guru muda, guru madya
puncakna guru utama. Ari di paguron
luhur mah (S1) kuduna dosen (guru) lulusan S2 (magister), engké nu ngajar di S2
kudu S3, ari nu ngajar S3 (doktor) kudu
guru besar copélna S3 deui anu cenah.
Ari tingkatan profésionalna, ti mimiti
Asisten Ahli Madya, Léktor, Léktor Kepala,
karék ka Guru besar. Kitu gé kudu
diusulkeun heula, teu otomatis. Sigana ka
Guru utama ogé aya palenggeran étika
pikeun guru besar jeung guru utama mah.
Pikeun naék tingkat anu dipeunteun téh
kumulatif angka krédit, widang A (pendidikan jeung pengajaran), widang B
(panalungtikan), widang C (pangabdian
masarakat), sarta widang D (penunjang tri
darma).
Kurikulum 2013, cenah pikeun
10
ngawewegan karakter. Mimiti ngawangun
sikep heula dina basa deungeun disebut
attitude , tuluy ngarojat kana prak migawé
lalampahan (psikomotor) kakara wé
kapinteran (intelektual). Karasaeun ku
pamaréntah budak lulusan téh boh SD,
SLTP, SLTA, boh paguron luhur, pinterpinterna mah ngan teu boga sikep (moral)
anu pujieun, saperti landep kana korupsi,
ladang korupsi bawaanna téh kana linyok,
bohong jeung salingkuh.
Masalah nu utama tong poho ari nu jadi
guru atawa dosén téh jelema, ari jelema téh,
kudu diajar jeung dididik sangkan pinter
jeung miboga budi parangi anu luhur sarta
parigel dina gawé nu ceuk karuhun mah
“ngawakan tapa di nagara téa” .
C. Lemahna Manusa
Ari manusa pangna diajar jeung diatik
téh lantaran, manusa boga kalemahan,
saur Al Gazali: Pohoan, gurung gusuh,
gancang pegat harepan, sok musrik ka
Alloh.
Eta lemahna manusa, kuduna mah pamaréntah apal yén pangatikan téh estu
nyindekel ka na lemahna karakter manusa
nu ditataan di luhur . Kumaha cara
ngungkulanna, sangkan manusa teu pohoan, nya kudu apal heula, tuluy harti, tuluy
jadi kabiasaan (habituasi) dina paribasa
“matih tuman manan tumbal”. Supaya
tarapti ulah gurung gusuh, nya kudu
dibiasakeun hirup pinuh ku rancana.
Matak guru méméh ngajar kudu nyieun
heula RPP kakara prak ngajar, tuluy
dievaluasi, upama teu cumpon kudu remedial heula.
1. Upama nyanghareupan tugas sok
ngarasa hésé boh alatan can ngarti boh
salah harti, jadi we luh lah, kukulutus. Beh
dituna, putus asa téa.
2. Sok musrik ka Allah SWT. Eta mun
bisa ngungkulan gawé, asa pangbisana asa
pangbenerna, tuluy ngarasa, aing poho we
kana kersaning Alloh SWT. Tah pikeun hal
ieu manusa diajar sangkan iman jeung
takwa ka Allah SWT. Pikiran ieu teu méngpar tina udagan Undang-Undang Sisdiknas nomor 20 taun 2003.
Manglé 2458
D. Ajaran karuhun Sunda (Dasa
Indra)
Ajaran ieu disebut Panca budi
(Siskanda’ng Karesian, taun 1508) di
jerona aya Panca Karma nu dijéntrékeun
ku Hidayat Suryalaga sareng Prof Ayip Rosidi nyaeta :
1) Telinga ; 2) Peraba; 3) Penglihat;
4)Pendengar; 5)Pencium .
Ad.1. dihartikeun yen manusa (guru)
poma ulah sadéngé-déngéna ku ceuli
urang ari teu aya pataluna jeung gawé
urang mah.
Ad.2. ulah sacabak-cabakna ari lain
cabakeunana. Lamun lain pagawean hancana sarta luyu jeung kaahlinana.
Ad.3. ulah satingali-tingalina, bisi aya
orat nu katingali, atawa banda barang
dagangan anu tadina moal dibeuli padahal
urang teu perelu, nyakitu deui ka lawan
jinis ulah satingali-tingalina bisi salah
harti, pajar méré pangharepan.
Ad.4. ulah saasaan asaanana, ari lain
asaeunana, geura lenyeupan lamun aya
démo, karék ngasaan, ari lalaki atawa
awéwé ulah ngasaan, culun cenah.
Ad.5. ulah saangseu-angseuna ari lain
angseueunana, éta ogé ulah sagala diambeu, seungit téa, bau kelek téa, bau
késang téa, bau sungut ulah diucapkeun
bisi nyingeung rasa.
Tah upama naséhat guru ti karuhun
keur ka guru, jadina pada nyarebut “Guru
Berbudi” pasti réa baturna, réa dulurna,
dipiajrih ku muridna tangtuna ogé
muridna téh “Murid Berbudi Pekerti” kitu
tah saur karuhun dina hari guru, méh jadi
guru berbudi .***
*) Ketua Lembaga Budaya Sunda
UNPAS Bandung bari jadi guru
13. N yusur Galur
Buku Sajarah Talaga;
Sajarah Teh Guru Kahirupan
“Historia Vitae Magustra” , sajarah téh guru
kahirupan, ceuk papatah latén ngagambarkeun
kumaha pentingna sajarah pikeun diulik jeung diteuleuman. Liwat sajarah urang bisa ningal kana
lalakon ka tukang, saterusna bisa dipaké pikeun
bahan ulikeun keur mahaman poé ieu sarta keur
ngukir prédikat poé ka hareup. Kitu Mayjen (Purn)
Tubagus Hasanudin dina biantara bubukana basa
ngagelar acara peluncuran buku Sajarah Karajaan
Takaga kamari ieu di Musieum Talagamanggung
katompérnakeun taun 2013 di Talaga.
Hasanudin anu di kalangan wartawan ngora
leuwih popiler disebut kang TB (Tubagus) , putra Talaga turunan Raja Talagamanggung anu panuntung
(Ti Prabu Darmasuci). Hasanudin kacida rumawarna
kana titinggal karajaan talaga jeung kasajarahanana,
ngadegna Musieum Talagamanggung ogé ku
alpukahna. Nuruteun katerangan, loba barangbarang pusaka titinggal sajarah Talaga anu tepi ka
ayeuna disimpen ku warga masarakat. Jenderal anu
ayeuna icikibung di dunya pulitik téh geus
nyumbang keun barang-barang pusaka titinggal
luluhurna ka musieum sangkan bisa kapaliré jeung
dipiara anu jauh leuwih hadé turta dijamin . Nuturteun Kang Tubagus, saénana kaayaan musieum téh
basajan kénéh, cita-citana ieu musieum kudu dirénovasi jeung leuwih dilegaan turta ditata sakumaha
mistina hiji musieum sajarah. Tangtu merelukeun
waragad anu henteu saeutik saurna téh. Tapi sanajan
sakumaha basajanna, di dieu disimpen rupa-rupa
barang pusaka kayaning senjata ti mimiti keris, tumbak, gobang jeung sajabana. Gamelan dijajarkeun
bérés, arca-arca ogé aya, di antarana arca Ratu Simbar Kancana, Pangeran Panglurah. Loba barang luar
negri oge diantarana buatan Cina, nyirikeun yen baheula Karajaan Talaga geus boga tali mimitran jeung
mancanagara. Tubagus Hasanudin cumeluk ka
masarakat anu rumasa boga sisimpenan barangbarang pusaka, gancang pasrahkeun barang warisan
luluhurna ka musieum.
Nina Lubis nambahkeun yén musieum saenyana
12
Manglé 2458
henteu meunang jeung henteu bisa dipibanda ku
pribadi atawa kulawarga, sabab éta mah milik nagara,
aya undang-undang anu nangtayunganana. Musieum
Talagamanggung diurus ku hiji Yayasan anu geus
pageuh dipingpin ku Rd. Mumu Mahmudin, nu sok
ditarelah Uwa Mumu.
Talaga atawa Situ Sanghiyang anu ayeuna ramé ku
nu jarah sabab geus jadi daérah tujuan wisata sajarah
anu haneuteun, situ mah diurus ku Kuncen 9. Tujuh
kuncén tetep, nu dua panyelang, kabéh
diapingdibingbing ku Kosin Kosasih.
Sabudeureun Talaga parentul makam anu tepi ka
ayeuna nuruteun Prof. Nina , dikaramatkeun ku
masarakat. Éta téh makam para ménak Talaga ti
jaman pamaréntahan Parunggangsa
Ceuk saujaring carita talaga anu sakitu legana téh
baheulana karaton agréng Talagamanggung anu salin
jinis jadi Talaga. Laukna tinggudibeg baradag,
saparona lélé anu baradag. Tapi rayat Talaga percaya
éta lauk Talaga téh karamat, henteu meunang diala
sumawonna diteda, diarantep wé lauk emas
tinggudibeg lele tingbelengep, impun arey-areyan téh.
Ngala impn gé euweuh anu wani, sieun katulah pokna
téh. Para wisatawan anu samemeh asup ka
wewengkon situhiang dipepelingan heula, ulah ngagunasika lauk-lauk anu tingbelengep di situ, maraban
mah pék baé cenah.
Méméh Jadi Kacamatan
Kacamatan Talaga téh bawahan Kabupaten Majalengka. Beulah kalér tapel wates jeung Kacamatan
banjaran utara, Beulah wétan Cxikijing, Beulah kidul
Kacamatan Cingambul, jeung Bantarujeg.
Kacamatan Talaga boga 16 Désa. Urang Talaga
percaya yén baheulana jauh saméméh jadi kacamatan, Talaga téh Karajaan, corak Buda sajaman
jeung Karajaan Sunda mangsa ngadeg raja di Kawali
nu saterusna pindah ka Pakuan Pajajaran. Kitu nurutkeun Nina Lubis nu nyusun buku sajarah Talaga.
Bukti-bukti ngeunaan ayana Karajaan Talaga
14. nurutkeun Nina, kauggel dina historiografi trdisional
jeung titinggal arkeologis nyaéta karya sajarah anu ditulis sacara tradisional lain sajarah akademis anu
penulisanna ngagunakeun metoda sajarah kritis .
Dina umumna karya sajarah tradisional ieu téh diwangun ku tilu unsur nyaéta Sajarah, Sastra jeung
Mitos. Tujuan penulisan lain keur nulis keun sajarah
sakumaha anu gelar dina kajadian, tapi keur nanjeurkeun ajén-ajén anu gelar dina mangsa karya sajarah
éta ditulis, jeung menteu mustahil aya kapentingan
pulitik jeroeunana.
Sabab inti carita biasana ngeunaan raja atawa Bupati nu keur maréntah . Karya-karya saperti kitu di
Tatar Sunda biasana disebut Babad, Carita sajarah
atawa silsilah atawa naskah nu sok disebut
Manuskrip. Wilayahna biasana karajaan atrawa kabupatian.
Husus mairan tokoh Tb.Hasanudin nurutkeun
Nina, hiji-hijina tokoh anu pangkatna Mayor jenderal anu tansah nyaah tur cinta ka lembur
matuhna turta gedé perhatian kana sajarah Karaja an talaga anu baheula mekar di lermbur luluhurna
nyaétaTalaga, lain pédah Hasanudin turunan Raja
Talaga baé, tapi Hasan uninga peresis kana
penting na sajarah pikeun bangsa anu boga cita-cita
luhur keur poé ka hareupna. Jenderal anu ayeuna
mingpin salahsahiji partéy pulitik di Jawa Barat téh
pikeun ngamumulé miara sajarah luluhurna henteu
irungan ngaluarkeun waragad tina lokétna pribadi.
Éstuning sagala rupana digalang ku keuangan pri badi, kaasup waragad nyieun buku sajarah Talaga.
ieu anu langka téh. Kitu Nina ngeunaan Kang Tebe
atawa Kang Jenderal. ***
(HRS)
Manglé 2458
13
15. M unara Cahaya
Hirup Katungkul ku Waktu
Ku Féndy Sy. Citrawarga
Alloh SWT ngadawuh dina Al Quran
nu hartosna:
"Demi waktu. Saéstuna manusa téh
aya dina karugian. Anging jalma-jalma
anu iman jeung migawé amal soléh
jeung silih naséhatan sangkan panceg
dina hak sarta silih naséhatan sangkan
tumetep dina kasobaran." (Surat Al
'Ashr ayat 1 - 3)
Alloh nyiptakeun jin jeung manusa
taya kajaba anging pikeun babakti
(ibadah) ka Mantenna. Di mana jeung
iraha? Nyaéta nalika hirup di dunya.
Cindekna, salila hirup di dunya manusa
kudu ibadah sangkan jaga hirup di
ahérat metik kabagjaan.
Ku kituna, teu hamham deui salila
kumelip di dunya manusa wajib
nalingakeun waktu sakumaha pidawuh
Alloh di luhur. Mantenna ngawawadian
ka sakumna manusa malah mandar
niténan waktu (hirup di dunya). Naon
sababna? Sabab ngan aya dua kamungkinan nu baris kasorang jaga di
alam baqa (ahérat), nyatana jalma nu
untung jeung jalma nu rugi.
Dina ayat di luhur kalayan tandes
Alloh nguningakeun yén sakumna
jalma baris rugi, anging jalma-jalma
anu iman jeung migawé kasoléhan.
Tegesna mah, jalma iman jeung migawé
kasoléhan baris untung, sabalikna jalma
nu teu iman (kaom kafir) baris rugi.
Jadi, jalma anu ngeusi waktu
14
Manglé 2458
hirupna ku iman tur diwuwuhan,
dilengkepan, atawa dibuktikeun ku
amal soléh, baris tinemu jeung kabagjaan, nyaéta jalma mumin. Dina Al Quran
diterangkeun:
"Satemenna geus untung (bagja)
jalma-jalma nu ariman, nyaéta jalmajalma anu husu dina solatna. Jeung
jalma-jalma anu ngajauhan pagawéan
jeung caritaan anu taya gunana." (Surat
Al-Mu'minun ayat 1-3)
Harti untung, kabagjaan, keur kaom
mumin mah ningan lain diukur
jungkiringna matéri, hirup lubak-libuk
harta banda, tapi anu mibanda iman
wedel tur diaplikasikeun atawa dibuktikeun ku amal soléh di antarana solat
anu husu. Anapon ciri solat nu husu di
antarana kudu aya tapakna nyaéta
nyinglar pagawéan jeung caritaan anu
taya gunana.
Cindekna mah waktu téh mangrupa
bagéan tina nimat paparin Gusti Alloh
anu sarua kudu ditasakuran. Hikmah
tina tasakur téh keur urang sorangan,
sanés kanggo Alloh. pidawuhNa:
"Singsaha anu sukuran ka Alloh, maka
satemenna manéhna tasakur pikeun dirina pribadi. Jeung singsaha anu henteu
tasakur, maka saéstuna Alloh Maha
Beunghar jeung Maha Pinuji." (QS Luqman ayat 12).
Dina ayat séjén dijéntrékeun deui:
"Saéstuna lamun maranéh tasakur
tangtu Kami baris nambahan nimat ka
maranéh jeung lamun maranéh ingkar
kana nimat Kami nya satemenna siksaan Kami kacida peurihna." (Surat Ibrohim ayat 7)
Dina ieu ayat Alloh nandeskeun,
lamun urang rancagé tasakur kana
sagala kanimatan paparin ti Anjeunna,
tanwandé kanimatan téh bakal
ditambahan deui. Sabalikna lamun
kufur, nya siksa anu baris tumiba.
Hal ieu ogé lumaku keur nimat
waktu nu ku urang ditarima salila hirup.
Tegesna, nimat waktu, mibanda kasempetan, kudu ditasakuran sangkan
pinareng jeung kabagjaan tur teu tigebrus kana jurang kahinaan.
Kumaha carana nyukuran waktu?
Anu jelas yén urang hirup téh katungkul
ku waktu jeung pati nu matak hirup téh
kudu ati-ati jeung tarapti.
Keur ibadah
Lamun urang Barat nyebutkeun yén
"time is money" (waktu téh duit) nu
ngandung harti mangpaatkeun waktu
téh keur néangan duit saloba-lobana
atawa kasenangan dunya.
Tah keur urang salaku kaom mumin
mah teu cukup kitu, tapi waktu téh keur
ibadah. Ngala duit, néangan rejeki,
kacida pentingna da moal bisa hirup
lamun urang teu barang dahar mah.
Ngan dina prakna kasab, urang mah
kudu kaasup ibadah, dina harti teu kalis
ku ngeduk kauntungan matéri tapi
carana teu sapagodos jeung papagon
agama. Ari sababna, apan sumuhun nu
disebut hirup téh keur urang mah lain
ukur di alam fana, tapi aya kahirupan
lana di "darulbaqa", ahérat.
Salasahiji tarékah tasakur kana
waktu nyaéta ulah sok lénglé talangké
migawé kahadéan jeung ngajauhan
sagala cegahan Alloh. Geura mangga
urang lenyepan hadis di handap ieu.
"Ti Ibnu Umar, anjeunna sasauran:
16. Rosululloh saw. nyepengan dua taktak
simkuring lajeng anjeunna ngadawuh,
'Pék harirup di dunya maranéh saperti
urang asing atawa musapir', saur Ibnu
Umar deui: 'Lamun maranéh geus aya
dina wanci soré, ulah rék ngadagoan
poé isuk, jeung lamun maranéh geus
asup kana waktu subuh, omat ulah
ngadagoan waktu soré, tapi prak mangpaatkeun (éta kasempetan) tina séhat
saméméh gering, jeung nalika hirup
saméméh datang ajal'." (HR Bukhori)
Tah kitu pituduh Rosululloh kanggo
urang sadayana dina ngamangpaatkeun
lolongkrang waktu téh. Cindekna urang
kudu neuteup ka hareup nyawang ka
mangsa nu bakal datang sabada ngalaman sagala rupa hal. Geuning nalika
urang nandangan kasakit apan sakitu
ripuhna cacak ukur sésékélan dina kélék
atawa nyeri huntu, sagala rupa
ngawagu.
Ku kituna, nalika urang séhat, jagjag
waringkas, barangdahar mirasa, dompét metet ku duit, omat éta kaséhatan
téh ulah dipaké masiat bisi teu kaburu
tobat nalika urang kadatangan musibat
kasakit, malah didodoho malakalmaot.
Da apan hirup katungkul ku pati paéh
teu nyaho di mangsa téa. Lamun urang
geus bisa ngamangpaatkeun waktu keur
ibadah, ngajauhan cegahanaNa, tanwandé urang geus kagolongkeun kana
tasakur nimat téa.
Nganjang ka pagéto
Cindekna mah urang ulah nepi ka
cileureun sangkan teu tigebrus kana jurang kahinaan, boh ayeuna di dunya
boh jaga di ahérat. Anapon konci
sangkan urang teu cileureun nyatana
ngalaksanakeun katakwaan anu saenyaenyana ka Alloh. Naon rupa nu geus
dipilampah, kudu bisa nganjang ka
pagéto, tegesna ngayakinkeun nu
sayakin-yakinna kana ayana poé balitungan di ahérat. Ceuk sepuh urang téa
mah papagon hirup nu utama sangkan
salamet, ulah kumaha engké tapi kudu
engké kumaha. Dina hal ieu, Alloh ogé
ngadawuh dina Al Quran nu hartosna:
"Hé jalma-jalma nu ariman, prak takwa
ka Alloh jeung sakuduna unggal diri
merhatikeun kana naon anu geus
dipilampahna pikeun poé isuk (ahérat),
jeung prak takwa ka Alloh . Satemenna
Alloh Maha Uninga kana saniskara anu
ku maranéh dipigawé." (Al Hasyr: 18)
Nalika nyaba biasana urang sok
mawa bekel boh mangrupa duit atawa
dahareun. Nya kitu deui nalika urang
ngumbara di dunya perelu bekel. Keur
urang kafir nu hirupna wuwuh di dunya
(najan dina prakna mah moal leupas
tina kahirupan ahérat) bekel hirupna
ukur harta. Demi keur kaom mumin
mah teu cukup ku bekel harta, tapi kudu
sasadiaan bekel keur kadaharan rohani.
Da apan hakékat manusa téh kawengku
ku dua hal, jasmani jeung rohani.
Matéri keur jasmani. Tah ari keur rohani mah hidayah agama. Leuwih écésna,
panghadé-hadéna bekel hirup kaom
mumin mah nyatana takwa, sakumaha
pidawuhNa.
"Prak bebekelan, jeung satemenna
pangalus-alusna bekel téh nyatana
takwa jeung prak takwa ka Kami, hé
jalma-jalma nu baroga akal." (QS Al
Baqarah: 197)
Salawasna zikir
Dina ayat di luhur disabit-sabit akal.
Tah ieu téh ciri manusa anu ngabédakeun dirina jeung sasatoan. Mun enya
manusa, angot nu iman, anu geus meunang panggero ti Alloh katut RosulNa,
nya sawadina ngagunakeun akalna.
Mun kalakuan teu sapagodos jeung aturan Alloh, hartina teu ngagunakeun
akal, nya darajatna masih satata jeung
sato.
Da lamun téa mah bener-bener ngagunakeun akal séhatna nu geus diaping
ku pituduh Alloh katut RosulNa,
tegesna bener-bener iman, tangtu jalma
bakal jauh tina kamasiatan, teu kudu
ripuh nyieun aturan itu aturan ieu, lembaga itu lembaga ieu keur ngabasmi korupsi da apan dina diri unggal manusa
téh aya malaikat anu salawasna marengan.
"Taya hiji ucapan anu dikedalkeun,
anging aya di deukeuteunana malaikat
anu salawasna marengan." (QS Qaf: 18)
Tos kantenan Alloh SWT baris
salawasna nalingakeun urang sok sanajan urang aya di tempat anu ceuk
pamikir urang teu kasaksi ku jelema
jeung di tempat nu poék mongkléng
buta rajin. Ku kituna, urang ulah rék
talobéh dina paripolah , salawasna kudu
éling (zikir) ka Alloh iraha jeung di
mana waé urang aya. Alloh ngadawuh:
"Hé jalma-jalma nu ariman poma
harta-harta maranéh jeung anak-anak
maranéh mopohokeun maranéh tina
zikir (inget) ka Alloh. Sing saha anu migawé kitu, maranéhna téh jalma-jalma
nu rugi." (QS Al Munafiqun: 9)
Tina ieu ayat, Alloh SWT ngawawadian urang sadayana yén sagala rupa
anu dipilampah téh kudu ditatapakan
niat karana Alloh. Harta pakaya jeung
anak ukur titipan, lain tujuan. Anapon
tujuan hirup urang mah taya kajaba
iwal ti ngajugjug karidoan Mantenna.
Ku kituna, dina ngeusi kahirupan
kudu enya-enya ngeusian lolongkrang
waktu pikeun metik karidoan Alloh.
Gunakeun harta keur jihad di jalan
Alloh, atik kulawarga ku kasoléhan lain
ku kasalahan luyu jeung harepan urang
dina ngambah sagara laki rabi geusan
tinemu jeung mawaddah warohmah
téa.
Taun anyar umur ngurangan
Mitra, alhamdulillah kiwari urang
sadayana geus nincak itungan taun
anyar. Taun 2013 geus mungkas, datang
taun 2014. Naon hartina? Hartina jatah
umur urang ngurangan. Hayu jadikeun
lalampahan taun tukang keur bahan
ngahisab diri. Ronjatkeun ajén diri ku
migawé kasoléhan jeung piceun singjauh, tong dipilampah deui, amal nu
salah. Keun nu enggeus mah jadi catetan pieunteungeun. Anggur hayu urang
teuteup mangsa ka hareup ku tékad anu
buleud geusan ngoméan lampah goréng
ku kahadéan.
Nu pasti, sakali deui urang hirup téh
katungkul ku waktu jeung pati téa.
Waktu nu geus kaliwat hamo kasorang
deui siga moal ngéjatna papastén pati ti
ajali. Ningan lamun pati geus ngancik
wancina, geus cunduk waktuna, geus
datang mangsana, moal aya nu bisa
ngahalang-halang. Ku kituna, hayu
urang baseuhan biwir urang ku lapad
tahlil "Laa ilaaha illallah, teu aya deui
pangéran salian Alloh". Dina hadis
Rosululloh saw. ngadawuh:
"Singsaha anu panungtungan
omonganana laa ilaaha illallah, baris
asup sawarga."
Mugia urang sadayana kagolongkeun janten jalmi sakumaha nu
kaunggel dina hadis nembé. Aamiin.
***
Manglé 2458
15
17. T anyaJawab
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Hukum Waris
keur Anak Téré
Patarosan:
Tumaros perkawis hak anak anak
téré sareng anu masih aya dina kandungan (janin) nurutkeun hukum
waris Islam. Hatur nuhun.
Wassalam,
Wawan Setiawan
Darangdan Purwakarta
Waleran:
Hatur nuhun kana patarosanana.
Kana hukum waris, memang seueur
keneh nu awam. Rupina, sanaos dina
édisi Manglé kapengker-pengker ogé
kantos disabit-sabit perkawis waris.
Bilih sesah milarianana, urang guar
deui waé, utamana waris nu patali
sareng anak téré sareng putra nu
masih kénéh aya dina kandungan.
Dasar hukum dina élmu waris,
henteu aya istilah dihijikeun antara
harta salaki sareng harta istri. Tiap
aya anu ngantunkeun ti heula, boh
istrina boh salakina, mangka harta
titinggalna dipasrahkeun ka ahli
warisna masing-masing. Upami salaki
ngantunkeun, mangka ahli warisna,
istrina sareng putra-putrana. Nyakitu
deui saupama istrina nu ngantunkeun, mangka nu jadi ahli warisna
salakina sareng putra-putrana. Margi
kitu, lian éta saperti anak téré, boh ti
pihak salaki atanapi ti pihak istrina
henteu tiasa meunang hak ahli waris.
Contona, aya hiji duda ngagaduhan tilu anak, teras nikah ka istri
(rangda) anu ngagaduhan putra hiji
(awéwé). Dina hiji waktu rangda éta
(nu tos jadi istrina) ngantunkeun ti
heula. Mangka anu pangheulana meunang bagian warisan nyaéta salakina,
16
Manglé 2458
lobana 1/4 tina harta anu ditinggalkeun ti istrina. Dasarna nyaéta ayat
Al-quran Surat al-Nisa ayat 12:
“Jeung pikeun anjeun (salaki) saperdua tina harta anu ditinggalkeun ku
istri anjeun saupama henteu boga
anak, tapi saupama boga anak,
mangka anjeun meunang saperopat
tina harta anu ditinggalkeunana …”.
Lajeng sésana dibagikeun ka anak
istrina (dina hal ieu istri/rangda nu
ngabogaan hiji anak, nyaéta awéwé).
Sedengkeun anak salakina anu candakan saméméh nikah henteu meunang
bagian, alatan kaasup anak téré.
Sabalikna, saupama anu ngantunkeun ti heula salakina, mangka anu
pangheulana meunang bagian nyaéta
istrina lobana 1/8 tina harta paninggalan salakina. Anu jadi dasarna
masih ayat Al-quran surat al-Nisa ayat
12: “Jeung pikeun istrina saparapatna
tina harta titinggal maranéh (salaki)
saupama maranéh henteu baroga
anak, tapi upama maranéh ninggalkeun anak, mangka maranéh (pamajikan) mareunang sapardalapan tina
harta titinggal maranéh (salaki anu
ngantunkeun) sanggeus wasiatna
dicumponan jeung hutangna dilunasan”. Terus sésana dibagikeun ka
anak-anak salaki kalawan rata (dina
hal ieu salaki/duda anu ngabogaan
anak
tilu).
Sedengkeun
anak
pamajikanana candakan méméh
nikah, henteu meunang bagian
warisan alatan kaasup anak téré
salaki. Tapi saupama sanggeus nikah
atawa sanggeus ngahiji, teras ngagaduhan anak, mangka ieu anak jadi
anak teges ti indung bapana. Saupama
indungna ngantunkeun ti heula, atawa
bapana ngantunkeun ti heula, mangka
ieu mah ngabogaan hak bagian waris,
boh ti indungna atawa ti bapana.
Anapon hukum anak anu aya di
jero kandungan (janin), dina hal ieu,
para ulama nyebutkeun, anak anu aya
dijero kandungan meunang bagéan
warisan, tegesna jadi ahli waris. Tapi
dina hal ieu, para ulama netepkeun
dua sarat pikeun janin anu bisa jadi
ahli waris, nyaéta: Kahiji, janin kudu
geus dikanyahokeun kalawan pasti
kaayaanana salila dijero kandungan.
Pidawuh Kangjeng Rosul SAW. anu
sumberna ti Siti Aisyah r.a.: “Henteu
aya janin anu netep dina kandungan
indungna ngaleuwihan tina waktu dua
taun, sok sanajan dina kaayaan falkah
mighzal”. Pamadegan ieu dijadikeun
dasar ku madzhab Hanafi sareng
Imam Ahmad. Kadua, orok dina
kaayaan hirup nalika ka luar tina kandungan indungna, nepi ka bisa dipastikeun, yén orok ngabogaan hak
meunang bagian warisan. Sarat
kadua, saupama éta orok bener-bener
hirup. Salasahiji cirina, nyaéta éta
orok bisa ceurik, nyusu jeung
sabangsana. Hal ieu dumasar kana
Hadits
Rasulullah
SAW.
anu
unggelna: “Saupama orok anu anyar
ka luar tina kandungan indungna
ceurik, terus répéh deui tegesna maot,
mangka prak solatkeun kalayan
manéhna hak meunang bagéan
warisan.” (HR. Nasa’i sareng Tirmidzi). Namung saupama orok anu
kaluar tina Rahim indungna dina
kaayaan maot, atanapi nalika kaluar
saparo awakna hirup terus maot,
atanapi deui nalika kaluar dina
kaayaan hirup tapi henteu stabil,
mangka éta orok henteu hak jadi ahli
waris tur tos dianggap maot. Sakitu
waleran nu kapendak. Mudah-mudahan aya mangpaatna.***
18.
19. C arita Pondok
Jalan nu Panjang
Carpon Chye Retty Isnendes
T
eu karasa
waktu nu
disanghareupan kari
dua taun
deui. Taun
2015 kuring rék mungkas
tugas, ngécagkeun pancén
nu geus 38 taun dipajuan.
Enya umur téh dua taun
18
Manglé 2458
deui 60 meureun. Geus lila
ning hirup di dunya téh.
Lain teu karasa, karasa
pisan lilana éta waktu.
Tapi ku kasibukan digawé
jeung nyanghareupan nu
kudu diréngsékeun nya
jadi nyérélék waktu téh.
Coba waé, unggal bulan
nganti-nganti tanggal hiji.
Lila ku lilana, gancang ku
gancangna. Ujug-ujug geus
nepi deui ka éta tanggal,
dipajuan unggal bulan, dilakonan unggal taun.
Ayeuna sakeudeung
deui mungkas gawé.
Hmm... aya kakeueung
mah. Da éta cenah loba
béja, kitu, kitu, kitu
sanggeusna pangsiun téh.
Enya cenah, ari keur digawé diarep-arep hayang
geura pangsiun, ari geus
pangsiun loba ngangluh;
kakeunaan ku panyakit kajiwaan pasca pangsiun.
Tapi kuring mah geus
boga sawangan. Hasil digawé duaan jeung bapana
20. budak, aya nu nyangsang.
Alhamdulillah. Cita-cita
téh rék mulang ka lembur
di tutugan Gunung Salak,
rék muka toko jeung budak nu bungsu.
Da lanceuk-lanceukna
mah geus cumarita, kari
eta si bungsu can katémbong pijalaneunanana.
Mudah-mudahan wé aya
parengna.
Lamun inget deui kana
perjuangan keur digawé,
asa teu butitina-butitina
teuing ketak téh. Lain rék
sombong deuih, neundeun
jasa ka nu rék ditinggalkeun. Ieu mah sawajarna
waé, tina bebeneran nu
sok dicekel ku kuring.
Sakola téh ti SPG, enya
pigurueun. Tapi harita teu
ujug-ujug jadi guru SD.
Kuring ngahonor heula di
TK, di TK Sartika nu ngan
hiji-hijina di Kacamatan
Sukawenang. Loba muridna, jeung lain si itu-si éta
deuih nu nyakolakeun
budak ka éta TK téh. Para
staf, pulisi, inohong kacamatan, malah Pa Camat ku
anjeun mercayakeun murangkalihna di éta TK.
Kuring kadua jeung Bu
Otih ngagéroh TK dibarengan ku pangaresep jeung
usaha dina ngaronjatkeun
pangabisa. Latihan-latihan
nu diayakeun ku dinas
pendidikan di Kabupaten
Sukabumi, taya nu teu diiluan. Cohagna mah karesep jeung pangabisa nu
ngaronjat tina hasil pelatihan-pelatihan téh benerbener diketrukkeun pikeun
kamajuan sakola TK.
Préstasi murid-muridna pikareueuseun deuih.
Dina tampilan seni, pasanggiri-pasanggiri pangaweruh pikeun budak TK
boh tingkat kabupatén boh
tingkat propinsi, teu éléh
jeung nu lian. Unggal taun
murid TK-na nambahan.
Bantuan-bantuan lancar,
nepi ka nu asalna bangunan téh wawayagon ahirna
mah ngajengléng aya tenjoeunana. Ruang belajar
aya dua, ruang guru jeung
kapala sakola, taman
bermain kumplit wé sagala
rupana aya.
Tapi keur resep ngokolakeun TK teh, kuring
miluan ujian nagara keur
pigurueun di sakola dasar.
Alhamdulillah kuring lulus
jadi pagawé nagri. Enya
sedih pisan ninggalkeun
sakola TK tempat kuring
mimiti bajuang jadi pangatik téh. Perpisahanana gé
nu pikasediheun teu kudu
dicatur deui. Murid jeung
kolotna siswa maruntangan kuring sangkan ulah
indit atawa cenah ulah ditinggalkeun sapisan. Dalah
dikumaha, apan ari guru
SD mah sarua baé jeung
guru TK, kudu unggal poé
ngajarna da jadi guru
kelas. Dibenum teh jauh di
Palabuan Ratu. Balik ka
lembur dua minggu sakali.
Karunya ka nu cikal, budak nu kakara genep bulan, harita ditinggalkeun.
Diaku harita mah teu jongjon, jeung haté gé teu ngadep kana ngajar téh da
inget baé ka budak nu dipihapékeun ka indung jeung
dulur-dulur di lembur.
Mana bapana sarua jauh
deuih, da ditugaskeun
gawéna di Jakarta ku perusahaanana.
Enya sadar, kapan kahayang jadi pagawe nagri
téh, tapi ning cocobana
beurat kitu. Awak kuru
aking ngajangjawing, capé
haté cape pikiran meureun, nepi ka brekna gering. Untungna penilik
sakola harita surti. Anjeunna ngawidian jeung ngarékoméndasi kuring mutasi
ka lembur. Ngan dua taun
di Palabuan Ratu téh,
ahirna kuring balik deui ka
lembur.
Pindah ka lembur
ditempatkeun di SD nu tilu
kilo jauhna ti imah, haté
mimiti tengtrem. Unggal
isuk leumpang baé da
wahon (angkot ayeuna)
mah teu cara ayeuna.
Sagala kagiatan pendidikan, pelatihan, kesenian,
dipigawé kalawan teteg
jeung resep. Asa manggih
deui kasuka nu baheula
kungsi kapegat. SD bucit di
Jelekong nu asalna katinggaleun sagala rupana téh
mimiti ku kuring dimobilisasi sangkan leuwih ronjat. Taman sakola ku ku
ring diusulkeun ka kepala
sakola sangkan dibebenah,
perpustakaan nya kitu
kénéh, kuring gé ngahaja
ngadatangkeun pelatih
kasenian jeung kaagamaan, boh awéwé boh lalaki
sangkan siswana aya
guam.
Alhamdulillah Pa kapala Sakola ngarojong
pisan kana karep téh. Dugi
ka anjeunna pangsiun, anjeunna ngarékoméndasi
kuring jadi kapala sakola
di éta SD. Harita, dina
umur 30 taun kuring geus
jadi kapala sakola!
Tapi nya kitu téa, dina
kamerenahan tugas téh,
aya-aya waé gogoda téh.
Pikiran teu jejeg da salaki
ditugaskeun di Bandung
Barat, di Saguling Cirata.
Jakarta-Sukabumi mah
geus jadi jalan ka cai da
ukur 2-3 jam nepi (ayeuna
3-4 jam sotéh da beuki
loba kandaraan ngaheurinan jalan), tapi ieu di Bandung nu kaitung jolok aya
kana 4-5 jamna di jalan
(jalan can siga ayeuna laleucir) nyababkeun salaki
ngarasa capé balik sam-
inggu sakali.
Kuring gé gedé timburu
salaki balik dua minggu
atawa pleng sabulan sakali
ka lembur téh. Pikiran teu
jejeg deui. Kuring ngadunga unggal peuting sangkan aya jalan kaluar
pikeun éta hal. Alhamdulillah sanggeus genep
bulan salaki dipindahkeun
gawéna di Banjaran Bandung. Enya beuki jauhna
mah, tapi teu hésé jalanna,
jaba dibéré perumahan di
lingkungan perusahaan.
Sanggeus dipikir dibulak-balik ahirna kuring
menta mutasi ka Banjaran
Bandung. Alhamdulillah
dikobul. Rumah tangga
reugreug deui, teu loba kapusing ka kuringna. Sanajan tangtangan di SD nu
harita kuring pindah ka
dinya leuwih rongkah
batan keur di lembur, tapi
kuring geus biasa deui
nyanghareupanana.
Nu kahiji, disanghareupan téh situasi masarakat urang Hegar nu
pikarujiteun. Kabiasaan
sosial nu teu picontoeun
ku kuring lalaunan dibebenah. Sikep masarakat nu
teu pati ngadukung kana
pendidikan, sikep kolot
murid nu ngumawasa,
égois, jeung sangeunahna
jadi bagian tugas pikeun
nyadarkeun maranéhna.
Nu kadua, lingkungan
sakola nu pikageuleuheun,
runtah di ditu-di dieu,
bangunan nu ukur boga
opat rohang, kaséhatan
barudak SD nu pikawatireun, ieu gé ku kuring dibebenah. Nu katilu, sikep
para guruna nu ngan limaan bari teu rumojong jeung
sinis kana program-program nu disosialisasikeun
ku kuring jadi tangtangan
pikeun kuring.
Kuring ngayakeun pen-
Manglé 2458
19
21. dekatan ka sagala pihak.
Murid, guru, kolot, inohong désa, inohong kacamatan, penilik, jeung
urang dinas pendidikan
pikeun ngabebener eta
kabeh. Kuring nyieun proposal sagancangna bari
ngayakinkeun pihak dinas
yen SD Hegar bener-bener
kudu dibantuan. Aya pamariksaan téh kuring mah
bungah. Sagala rupana diantepkeun kitu baé, keun
sina katempoeun ku nu di
luhur. Tilu bulan ti harita
gurujag sumbangan téh
datang. Alhamdulillah.
Sanajan ukur cukup
pikeun dua ruangan kelas,
ditambahan dua wangunan wésé, kabéh diajangkeun ka dinya. Kurangna
gé nepi ka 20 juta. Keun
baé éta mah SK kuring disakolakeun.
Salila kuring jadi kapala sakola di éta SD, geus
tilu kali meunang bantuan
tina ngajukeun proposal.
Bantuan pasilitas nu unggal taun datang boh duitna
boh barangna boh gedé
boh leutik ti dinas kabéh
dipakihikeun ku kuring
pikeun kaperluan sakola.
Lalaunan SD Hegar
kelas jeung pasilitasna
beuki nambahan, lingkunganana beuki resik.
Taman-tamanna ngémploh héjo, perpustakaanana bukuna pinuh, kagiat
an ékstra kurikulerna
beuki rempeg, lingkungan
sakola pikabetaheun jeung
pikaresepeun, guru-guru
beuki kooperatif beuki
ronjat kesejahteraanana da
geus diaju-ajukeun sertifikasi ku kuring, masarakat
beuki ngadukung kana
program sakola. Bagjana
pisan kuring, waktu sakola
ngahontal akreditasi A.
Keur resep kitu, kuring
meunang tugas mutasi
20
Manglé 2458
kudu ngabebenah SD
saatap di kota Banjaran.
Beu, beu, beu. Pusing
pisan ieu mah, hiji sakola
dua manajemen administrasina, atuh ngokolakeunanana gé kudu gedé tana
ga. Acan éta SD teh aya
masalah jeung nu boga
tanah nu ngawakapkeunana. Enyaan pusingna
teh, katambah barudak
keur merelukeun waragad
pikeun sakolana, da geus
karuliah. Kuring jeung bapana tihothat matéakeun
kamampuh sorangan
pikeun kawajiban di pagawéan jeung di rumah
tangga.
Antukna persoalan antara sakola jeung nu boga
tanah dikapangacarakeun
da éta mah masalahna
geus kana hukum nu kuring teu nyaho gék-gékanana. Alhamdulillah pihak
sakola jeung nu boga
tanah ahirna bisa daméy.
Lima taun geus rapih mah
ku kuring dibikeun deui ka
dinas. Harita téh inget bae
nyanggakeun ka nu dibendo, mangga, cekéng téh,
tos bérés roés ayeuna mah.
Wangsulkeun deui sim
kuring ka SD Hegar.
Enya baé kuring dipulangkeun deui ka SD
Hegar. Tapi naon nu
disanghareupan? Lingkungan sakola nu geus bérésroés saméméh ditinggal
keun ku kuring téh bet
acak-acakan deui! Urusan
administrasi teu bener,
keuangan kredit, aya guru
honorer nepi ka sapuluh
urangna, sedeng guruguru nu sertifikasina beunang nguruskeun kuring
ucang-ucangan baé.
Karedul! Ambek harita
ngagugunung.
Kuring nahan manéh,
hayang nyaho kana kaayaan anyar nu salila lima
taun ditinggalkeun.
Sanggeus dua bulan, kuring ngayakeun rapat. Kuring ngaluarkeun kawija
kan anyar, kuring ngayakeun perampingan pengajar! Leuh raména nu
protés, nu cua, nu sinis, nu
ambek kuring. Malah aya
nu ngancam kana jiwa
sagala. Ceuk kuring harita
ka nu protés!
“Mangga, sok dongkapkeun nu rék ngarogahala!
Bapa, Ibu, Enéng-Encép
nu teu keresa diliréntugaskeun mangga teras
ngajar, tapi moal digajih
sapésér ogé! Artos tos teu
aya, kredit! Geuning ieu
sakola téh ngahutang ka
bank kanggo ngagajih nu
ngahonor sapuluh urang
kali lima ratus rebu. Rek ti
mana Bapa, Ibu, EnéngEncép nutupanana?
Keresa nutupan hutang
sakola?
Eta deui Ibu, Bapa, nu
tos nampi artos intensif
sertifikasi, raos-raos
ucang-ucangan nyah? Bet
beuki karedul? Taya kaisin
pisan digajih buta? Palay
dilaporkeun ku sim kuring? Sim kuring gé keresa
ngahonor pami kitu mah,
lima ratus rébu ucangucangan. Sok mangga
gajih ku Bapa sareng ku
Ibu!”
Tindakan kuring nu
keras pikeun nyalametkeun ieu sakola aya buktina. Guru-guru nu geus
nambahan jadi sapuluh
(jeung kuring) téh, jadi
soson-soson ngajarna.
Honorér dileungitkeun da
katangkes gawéna ku guru
nu geus tetap. Lain teu
karunya ka nu ngahonor,
ké dimana keuangan geus
stabil deui, rék narima
deui nu ngahonor, kitu
jangji téh. Horéng tindakan kuring teh jadi sabi-
wir hiji. Cenah nepi ka
Kabupatén. Lah, mangga
teh teuing. Ku éta kajadian, di lingkungan pangatik téh kuring
dipikasinis, tapi beuki
dieu-beuki dieu bet ditarurutan. Pajar téh.
“Leres, Bu Hajjah Ita,
abdi gé nurutan ketak Ibu.
Atuda sakola seueur beban
ning?” Ceuk Bu Ida kapala
sakola SD Sukamanah.
Kitu deui Ibu Dedeh kapala sakola SD Pasirgeulis,
Bu Diah kapala sakola SD
Riunggunung, cenah mah
nurutan. Kuring mah
mésem waé.
*
“Mah, aya tamu.”
Salaki ngahudangkeun
kuring tina panglamunan.
“Saha Pa?” kuring
gesat-gesut dangdan, tuluy
nutupkeun buku laporan.
Kadéngé récok, sigana
lobaan sémah téh. Ana
ditéang ka hareup...
“Ibu Hajjah ...wilujeng
tepung taun!!!” réang
guru-guru SD Hegar
ngabagéakeun. Aya nu
mawa kado, mawa kuéh,
mawa buah, mawa rantang, angkaribung.
“Kaleresan tepung taun
Ibu téh dinten Ahad tuda,
janten abdi sadaya ngabaribinan, badé ngiring botram,” kitu ceuk Pa Ase nu
beuki heureuy, hideng
nerangkeun.
Kuring mésem bari
hookeun kénéh sajongjonan, aya nu ngembeng
dina kongkolak panon, teu
katahan...***
Cigugurgirang, 10
Desember 13
*) Kado kanggo tepung
taunna pun bibi, Rd. Etty
Subaeti Asmadiredja;
guru SD tuladan nu
pinuh ku dedikasi
23. K
amari. Kitu
nya ari mamangkatan
balanja
téh. Niat ti
imah mah
rék mésér barang anu
wungkul, datang ka nu dituju sok jadi méngkol
kabitaan ku sagala rupa.
Numatak kirang-kirangna
pengkuh kana komitmen
paniatan awal, bakal paburantak lebet lokét.
“Aduh Ibu, mani awis
tepang. Ka mana waé?” Nu
kagungan toko. Sasalaman,
capaka-cipiki. Tuluy kuring
dikekenyang. “Ieu geura ka
dieu heula ieuh mani saraé
kieu. Kudung modél énggal. Yeuh, yeuh, komo tastas ieu geura hayu palih
dieu, tos sasetél-sasetél
sareng sapatuna, kanggo
acara-acara resmi. Cocok
di Ibu mah kanggo arisan
atanapi ka uleman. Moal
rugel, barangna berkualitas, pangaosna miring...”
Bari ngagigiwing kuring ka
ditu ka dieu.
“Hatur nuhun, sanés
teu hoyong, ké lah iraha
deui ka payun. Ayeuna
mah peryogina gé kudung
kanggo sakola budak, nu
bodas sareng coklat. Itu téh
sakitu énggal kénéh mani
tos laledeg, nganggéna geuning murangkalih mah
jabrah. Kana saos lah, kana
kecap. Éta pami nuju jajan
panginten.”
“Muhun gampil tiung
murangkalih sakola mah
seueur. Ieu heula yeuh
engké mah séépeun geura.
Kamari salosin ledis.” Lajeng ngabsén nu uih
ngabarorong. Ibu anu,
padamel anu, istri pejabat
anu. “Atuh kosmetikna
bilih badé nyobian? Saban
ka dieu persaben baé.” Nyodorkeun produk kecantikan lengkep.
22
Manglé 2458
“Lah tuda mani arawis
kieu.” Nyagap barangna.
Éta téh ti baheula saban
balanja ka dinya hayuh ditatawarkeun ka kuring. Anjeunna gé nganggé éta
cenah. Keur mah geulis
bakat katambih asak rawat,
janten langkung-langkung
luis. Keureutan raray nu
ngadaun seureuh téh ku
hérang-méncrangna
meureun mun aya sireum
ngalangkung teh bakal tisolédat. Betaheun temen
carogena pami nuju neuteup éta pameunteu.
“Di diskon lah ka langganan. Ibu mah tos geulis
alami, kulitna beresih, kantun mertahankeun wungkul. Tah seri nu ieu
langkung cocok kanggo
Ibu, tanpa éfék samping,
halal, nutrisina ngarangsang kolagen ngajantenkeun kulit langkung
cahayaan. Ibu-ibu réréncangan abdi, nu bariasa ka
klinik kecantikan, sareng
nu sok malésér onlén gé
ngaralih mésér ieu. Carocok kana sagala rupi jenis
kulit...” Jeung satuluyna
promosi sagala rupa. Bongbong tukangna, katambah
kakurung ku référénsi geulis bungkeuleukan anjeunna, mani pikabitaeun
préséntasina-préséntasina
téh. Bosen ku nu nawaran,
éléh déét, mésér wéh. Antukna mah salianti wedak
téh jeung tiung téa. Nang
mikir sajungkel pedes éta
gé. Tadina mah, ka hiji
lebar ku artosna, ka dua,
ah, eunceup kitu di kuring
da can perenah boga tiung
modél? Tapi, apan saur ibu
ajengan gé ari niatna
pikeun ibadah mah, nyenangkeun soca carogé, nya
teu janten pamengan. Enya
bisi boseneun ongkoh
salaki téh ningali nu jiga
kieu tos taun-taun taya
perobahan. Sahenteuna
atuh tong boro di luar,
atawa di tempat padamelanna sagulung-sagalang
jeung nu kitu nu kieu,
dalah tatangga di komplék
perumahan gé ibu-ibu téh
meni harérang, ngagarenclang, marodis. Asak urus
hadé omé diruna-direnu
ku sagala rupi. Komo nu
wedel béya mah usik perawatan obah perawatan.
Kacaturkeun barang nu
tas dipésér téh langsung direkeskeun ka bapana
budak. Ngan teu diébréhkeun wungkul. Tibang,
“Apa, Embu kamari wangsul mésér kudung budak
lajeng Embu gé mésér hiji.
Wios?”
Waleranna téh saendeng-endeng gé, mangga,
wios.“Nya wios atuh pira
gé kudung, sugan téh
mésér pabrik kudung.”
“Da sareng wedak
deui.”
“Muhun teu nanaon éta
mah kaperyogian Embu,
sing tumaninah ai aya mah
kanggo mésérna.”
Peutingna si wedak téh
dipraktekkeun. Méméh
mangkat saré, ngurus
heula pameunteu. Ulas itu,
olés ieu. Masas itu masas
ieu.
Teu karasa geu isuk
deui. Poé ieu jadwal fesyen
showna. Rérés pakepuk
nyiapkeun sasarap, gejebur
mandi. Tuluy dangdan
sabot bapana siram.
Kaperluan ngantorna geus
dibanding-bandingkeun tiheula, tuluy kuring mah ka
luar kamer. Ngantosan nu
badé sasarap di rohang
makan. Budak geus miheulaan candeluk.
“Subhanalloh Embu,
badé ka mana?” Tuluy
calawak.
“Ssst, Ayang téh, meni
sakituna.”
“Hé hé, tuda Embu
mani bénten, badé aya
acara di kantor Apa?”
“Sanés ah, hoyong dangdos wé mani ulah.”
“Oh.” Témbal budak
teu kapapanjangan.
Gancangning carita, bapana budak tos kurunyung.
Nguliwed heula kuring ka
dapur. Témbong anjeunna
gék calik dina korsi parantina.”Ayang tumbén tos
calik. Embu ka mana?”
“Ayang bagéan piket,
Apa. Embu di dapur panginten, Bu, Mbu, saur
Apa...”
Lalaunan kuring ti
dapur ka rohang makan.
“Ieu ngabantun kurupuk
heula.” Toplés kurupuk
nang muka tutupna ditagenkeun. Tuluy mangnyiukankeun sangu goréng
kana piring bapana katut
nu budak. Nyéréd korsi,
gék diuk.
Aya nu neuteup
seukeut. Asa langkung abot
batan calawakna Ayang
tadi. ”Embu badé aya acara
ka mana, apan piket organisasi mah kemis, sanés?”
“Henteu Apa, teu ka
mamana, kunaon kitu?”
“Manawi téh bade ka
mana éta meni rikat kiwari
tos dangdos.” Terus bismilah, am-am sangu goréng
piligenti jeung kurupuk.
“Ayaaang...” obrolan
kapegat ku nu nyalukan
budak. Babaturan sakolana
nyalampeur.
“Iyaaa...” Bari ngososm.
“Ih awon, pamali.” Kojéngkang kuring ka hareup
nepungan babaturanana
budak. “Ayang nuju sarapan kénéh antosan
sakedap nya, di dieu
ngarantosanna di lebet.”
“Muhun bu, atos cekap
di dieu.”
“Sok caralik heula
atuh.” Kuring ka jero deui,
24. barudak hempak na térlas.
“Ayang mios Mbu, Pa.”
Bari sasalaman rusuh.
“Sing leres heula atuh
éta sarapanna énjing kénéh
ieuh, ké kalikiben geura.”
“Atos wareg, bilih kasiangan piket, Assalamualaikum.”
“Waalaikum salaam.”
Kuring jeung bapana méh
bareng
Dijajapkeun ka luar.
“Ati-ati nging nakal, uihna
tong sumarimpang, ulah
jajan nu teu puguh.” Ka
budak és-ém-pé gé da
melang wé indung mah.
“Siaaap.” Antukna
raéng kabéh bari ting
careuleukeuteuk.
Ka rohang makan deui.
Gék kuring maturan nu
nuju ngalimed kénéh
sasarap. Nu anteng baé téh
dipeleng. Ih, ni haré-haré.
Apa?”
“Muhun, kumaha, badé
ka mana Embu téh ning
teu nyaur-nyaur ti wengi.
Biasana mah pami aya kagiatan sok nyarios ti iraha
mula.”
“Ih saha nu badé aya
acara. Mani teu kénging
Embu dangdos gaya enjing-enjing. Sakitu kenging
susah payahna.”
Nyéréngéh, tuluy seukeut deui melong kuring.
“Apa téh ningalikeun
waé, mani teu koméntar
atuh. Kumaha dangdosan
Embu, saé teu, geulis teu?”
“Nya geulis atuh istri
Apa.”
“Tapi meni tiis kitu...iii’ih.” Piring sangu goréngna api-api dijauhkeun.
“Hé hé, apakah harus
bilang waw gituh? Tos teu
usum. Yang tak terungkap
itu akan lebih dari katakata. Punten nyungkeun
cai deui.” Ngasongkeun
gelasna nu kosong.
“Apa téh, ih?” Bari nyo-
dorkeun gelas nu geus
dieusian deui.
Regot-regot dugi ka
séép. Beres ngarot, kalah
langsung ngadeg. “Punten
pangnyandakkeun konci
kakantun di kamer.”
Anjeunna muru ka
luar. Kuring nyokot konci.
Méméh tepi kana
lawang, geus biasa silih
randeg. Sasalaman, silih
dungakeun kasalametan.
Ayeuna randegna diémbohan pelong. Jadi asa kareungkang. Lir disisit
sakujur tangtungan.
di pasar nu puguh undakusuk komposisi bahanna.
Nganggo wedak cekap ipis,
katawis kénéh kulit aslina.
Mun nuju capé sok semu
beureum tandaning séhat,
mun harééng katingal pias
atanapi jale’er. Halisna asli
ngajelér paéh. Langkung
geulis pami Embu tos imut
Monalisa, atanapi nyengir
Cenin waosna témbong
saalit, pami bingah pisan
sok labas janten gumujeng
dentis, waosna sadaya
katembong baris. Manyun
tutut mah Apa kirang sreg,
“Apa, Embu kamari wangsul mésér kudung budak
lajeng Embu gé mésér hiji.
Wios?”
Waleranna téh saendengendeng gé, mangga, wios.
“Nya wios atuh pira gé
kudung, sugan téh mésér
pabrik kudung.”
“Da sareng wedak deui.”
Ngarawél cangkeung,
nangkeup, tuluy misaur.
“Apa terang ti wengi mula
gé Embu téh bénten ti
sasari. Ngurus raray gé
mani satengah jam. Ti énjing sulampat-salimpet
waé horéng rék dangdos
kieu nyah? Teu aya nu
lepat, Embu geulis,
langkung geulis.
Samarukna Apa kabitaan
kitu ku nu dangdosanana
modis, rarayna ngeplak
nyamian poé koléntang?
Apa mah cekap ku Embu
nu unggal énjing rérés
siram seungit zaitun,
rarayna dirawat ku produk
konvensional biasa nu aya
lucu sih tapi pikalucueun
peureup.”
“Awaaas!” Diciwit
cangkéngna.
”Teu sawios rada
ménor, nanging dianggéna
pami dina acara ocassion
tur digéndéngna ku Apa.
Teu kedah tabarruj.
Perkawis dangdosan, mun
nuju teu dikudung rambutna digelung sumput,
eunceup. Anggoanana nu
dipikaresep ku Apa mah
nu paranjang, kudungna
téh sakieu yeuh.”Bari nunjuk kana lebah bujal.
Tuluy, “... mmmuuach.”
Nyium embun-embunan.
Kuring nangkeup
tipepereket. “Apa mios, atiati di bumi, Ayang uih
sakola ai taya kagiatan
mah ulah diantep ngayap
teu puguh. Assalamualaikum. “
“Wa’alaikum salaam.”
Mobilna disérangkeun
tina lawang nepi ka lesna ti
parapatan. Nutupkeun
panto. Ngahunted bari
nyanghreupan urut sarapan. Ras kana dangdanan.
Maké baju gamis pulas
pink kuring téh. Tiungna
gé pink polét beurum, kopi
susu, jeung konéng buruk.
Paduan warna nu kontras
tapi kalem. Dibudedkeun
sanggeus jerona maké
antem warna coklat. Beungeut diwedakan saulas
ku wedak delicate nu
ngagliter. Lipen setipna
mah dop. Gaya, jiga
ménak-ménak nu sok midang na sinetron televisi.
Horéng ku bapana
budak mah teu kafilem
kabina-bina. Baruk
disangka arék ka mana.
Peuting téa kuring dangdan ngarawat diri meni
kanjat diitung cenah satengah jaman. Geuning lain
dipuji kalah ditinggalkeun
kulem tiheula. Mmh, boga
salaki téh mundut geulis
ukur saperti nu dibéjérbéaskeun tadi? Teu kudu
tabarruj, teu kudu dangdan
kaleuleuwihi. Baju paranjang, tiung paranjang,
gelung sumput, wedak ipis.
Sakitu? Gampil pisan atuh.
Tur mudah-mudahan éta
standar peunteunan keur
kuring teu iser, mangtauntaun deui, satutup umur.
Amin. Mangkaning paneka
dangdanan mah tinangtu
baris terus robahrobah.***
Ciamis, 9 September 2013.
Manglé 2458
23
25. P uriding Puringkak
Jurig Erbe
S
anagara geunjleung kunu
naréangan RB
(érbé), mun
aya cenah rék
dibeuli ku
harga anu matak hélok, ratusan milyar. Rabeng anu
ngalér, anu ngidul, anu ngétan, anu ngulon, lembur
singkur pada ngajugjug, akiaki didaratangan, dukundukun pinuh ku jalma-jalma
lalieur. Loba jalma nu
ngadadak anéh kalakuannana, nu tadina getol ka
sawah, jadi ngacacang
mapay lebak, atawa kukurusukan mapay-mapay
rungkun, néangan anu
anéh-anéh, manggih batu
dicokot disangka anti cukur,
manggih bugang hileud di
cokot disangka érbé, padahal maranéhna téh teu aya
anu apaleun kumaha rupa
jeung bentuk érbé. Nu
leuwih anéh ku urang kota,
jiga anu enya, kaditu-kadieu
mawa mobil meunang
nyéwa, nénéangan jalma
anu bogaeun érbé, gedé haté
ku béja anu can karuhan.
Lila jadi pamikiran,
bakuna éta ku anu bener
kitu aya jalma anu daékeun
meuli nu kitu ratusan milyar. Sabab lain ayeuna baé
perkara érbé, anti cukur,
mérah delima, jeung samurai téh. Malah geus puluhan
taun, tapi nihil can pernah
aya anu kajadian. Lolobana
mah bohong.
Sababaraha poé ti harita,
gurutak aya nu nganjang, ti
tempat anu rada deukeut, ti
24
Manglé 2458
Ku Adang S. Argayuda
désa Kiara Payung.
Singhoreng murid kuring, si
Adun.
“Aya naon ieu téh asa
rareuwas?” ceuk kuring.
“Geus nguping béja anu
araranéh, Kang?”
“Béja naon?”
“Éta, masalah ranté
babi, atawa anu sok disarebut érbé téa.” pokna hariweuseus.
“Ih, enya puguh jul-jol
anu naréangan érbé jeung
anti cukur, cenah mun aya
rék dibeuli ratusan milyar.
Asa beuki ngaco jalma téh,
naha jang naon atuh maké
daék meuli anu kitu ku
harga ratusan milyar!”
“Cenah mah lantaran
érbé tiasa dianggo narik
harta karun, tiasa dianggo
narik artos anu kacida
seueurna, jaba aya anti
cukurna”
“Akang ogé apal ari tiasa
dianggo narik artos mah,
tapi pan ari lain ku ahlina
mah sing aya ogé barangna,
nya moal bisa.”
“Kang, pan Akang téh
asa gaduh érbé, aya kénéh?”
“Nya aya meureun, da
Akang mah tara ngagugulung anu kitu, emang aya
naon maké nanyakeun anu
Akang?”
“Kumaha pami urang
paké narik artos Kang”.
“Astagfirrulloh hall
adziim, jang naon duit tinu
kitu, ongkohan jurig mah
teu bogaeun duit, jadi
lamun aya duit anu katarik
ku jin érbé, éta téh duit
manusa, lamun ti bank, ke
pamingpinna di hukum
disangka korupsi, da duitna
ngadadak leungit, manéhna
korupsi dua milyar, ari anu
leungit dua welas milyar,
tetep baé éta pamingpin
bank téh disangka korupsi
dua welas milyar”
“Muhun nya, tapi pan
hoyong duit, anggo narik
baé atuh Kang, panasaran
kumaha kajadiannana.”
“Ah, moal, sieun!”
“Nyobian baé atuh Kang,
hoyong terang kajadiannana, ke pami tos aya artosna, uihkeun deui”.
“Teuing euy, Akang ogé
asa hayang ari nyobaan
mah!”
“Siap, iraha waktosna
Kang?”
“Isukan dibéjaan, ari
geus puguh arék moalna.”
Éléh déét, ongkoh hayang
ngabuktikeun, nya dasar
manusa teu weléh panasaran ku hal-hal anéh, aya ti dituna meureun.
Malem Jumaah di bulan
Juli katompérnakeun, kirakira jam sapuluh, sanggeus
siap sagalana, meuleum
apel jin sajewol, seungitna
kasakuliah ruangan. Prak
duaan ngamalkeun élmu,
dzikir ngada’wamkeun
kalimah anu tangtu.
Sanggeus aya sajamna, bet
ujug-ujug aya angin anu
nyéor tarik naker, eureun
angin, panto sada aya anu
nénggor ku batu, ngabeledog mata kagét. Gejliggejlig, sada aya anu
leumpang gegejlig, imah eundeur, bumi alam ngariyeg
kawas aya lini.
“Ha... ha... ha..., aya
naon manusa, bet ngahudangkeun kula anu keur
saré tibra!” Aya anu
nyakakak tarik pisan, bari
terus tumanya ku sora
matak sieun.
“Tong kaget baraya, kula
keur ngamalkeun élmu,
maksudna seja manggil
khodam kula anu dina érbé,
ari anjeun saha?” ceuk kuring.
“Kula jin érbé, aya naon
atuh anjeun maké manggil?”
“Lain, cenah ceuk béja,
anjeun bisa méré duit anu
loba, bener éta téh?”
“Ah, boga dunungan téh
kawas anu lieur, kula mah
teu ngarti, da di alam kula
mah teu aya anu disebut
duit, ménta anu séjén baé
atuh”.
“Ih ari manéh, abong
bangsa jin bedegong,
maenya ka dunungan
ngomong balakacanur, padu
baé.”
“Ha... ha... ha..., kula
mah adatna kieu, kasar garihal, tapi naon maksudna anjeun ménta duit sagala,
cenah anjeun téh jalma
soléh, jalma mukmin, ning
hayang duit tinu kitu?” Jin
érbé, ngaharelung jangkung
hideung, rambut ngawiwig
gimbal, ngomong songong
garihal, babarakatakan bari
tetenjrag.
“Lain rék dipaké sarakah, ngan hayang nyaho
baé, naha anjeun téh boga
pangawasa atawa henteu,
26. sabab keur naon diingu ari
euweuh kabisa mah.”
“Ampun dunungan,
heug kula bakal nurut, kula
percaya ka anjeun, sok atuh
amalkeun kalimah anu sok
di da’wamkeun ku anjeun,
kula rék digawé.”
Selang sababaraha
menit, riyeg, séor, beledug,
burusut sada kenteng
marurag, geblug, aya sora
hareupeun sada anu ragrag.
Jempling deui, tapi dihareupeun jiga aya karung,
pinuh ku eusi jigana mah.
“Kang, aya karung!”
“Enya euy, cik tingali
naon eusina?”
“Ditalian Kang”
“Buka atuh, moal
nanaon ieuh”
“Kang, artos, bareureum
ratusan wungkul, kumahakeun ieu téh?”
“Awas sing inget kana
jangji, ulah rek coba-coba
nyokot najan salambar”
“Hadeuh, sagepok baé
atuh Kang, lumayan jang
meuli motor”
“Ulah, talian deui baé éta
karung, keun tungguan,
mun nepi ka isuk karung
aya kénéh, kop rék nyokot
mah.”
“Leres éta téh?”
“Enya, Akang tunduh
asa kasirep, rék saré heula!”
Tibra saré téh, lilir sotéh
pédah aya anu ngaguyahguyah kana suku, horéng dihudangkeun ku murid.
“Aya naon?”
“Tos adzan subuh Kang”.
“Aduh, naha tibra-tibra
teuing sare téh, sok atuh
urang sholat subuh heula”.
Bareng berjamaah sholat
subuh, bari sasalaman,
murid ngaharéwos.
“Kang, karung kumaha
?”.
“Karung naon?
nananyakeun karung wayah
kieu, jang naon manéh teh?”
“Ih ari Akang, éta karung
anu wengi, pangirim jin
érbé tea.”
“Euleuh, enya nya,
Akang poho deui, tingali
atuh ka kamar.”
“Kang, cilaka”.
“Cilaka ku naon manéh
téh, ngareureuwas?”
“Karung leungit, Kang”.
“Nya meureun lain milik
mana kitu ogé, keun baé
atuh ajengan, kapan tadina
ogé ukur hayang nyobaan,
hayang ngabuktikeun, lain
rék ménta duit jang pakéeun
urang.”
“Haduh, muhun ari
lumpat ka dinyana mah,
ngan sugan téh éta jin érbé,
pék ninggalan sagepok mah
atuh jang kuring.” Murid téh
murukusunu, ka jin érbé.
“Ha... ha... ha..., hayang
duit mah usaha nu bener
atuh!” Bet aya sora tarik
naker, ngeundeurkeun jantung, nyeungseurikan
murid, duaan rungah
ringeuh. Antukna saréréa
seuri, nyeungseurikeun diri
masing-masing.***
PatakaharjaRancah, Ciamis
Manglé 2458
25
27. C arita Heubeul
Ku M.A. Salmun
{ 27 }
K
usiwel Nyi
Piah nyokot
surat perjanjian ti handapeun anak
pepeten, sor
disodorkeun ka Nyi Demang.
Ku éta ménak kolot ditampanan, dibulak-balik, sor
disodorkeun ka bojo priyayi
nu ngiring: “Cingan, Jua,
pangmacakeun, Embi mah
teu timu.”
Top ku Agan Juariah ditampanan, dibaca bedas, bet
surat perjanjian éta téa: bab
giliran kilir jeung lamun Nyi
Rapiah diragragan talak teu
kalawan dipénta, hutang
Usman R 1500,- nu ditandonan ku imah katut pakarangan, kudu dibayar, sarta éta
imah katut pakaranganana
baris pindah-tangan ti
Usman ka Rapiah sarta leupas-sakabeh hak jeung milik
Usman kana eta tanah katut
imah. Nu ngadaréngé pohara
pating garebegna. Tanah
sakitu legana –meujeuhna
baé dijieun pasar ogé—bet
26
Manglé 2458
dikaitkeun kana talak. Ibu
Usman mani pias, sorana
ngageter barang ngomong:
“Na iraha Aom nginjeum
duit R 1500,- da kami mah
henteu nyaho?”
Kusiwel deui Nyi Rapiah
ngasongkeun segel bari
ngomong, sorana sada nu
nguntup: “Ieu bae ditingalian; tah ieu tawis putra, ieu
tanda abdi, ieu tawis pun
bapa nu ngartosanana, ieu
tawis camat kota, ieu tawis
pun lurah, ieu tawis saksisaksi, pun punduh Dulsirad
sareng pun naib Haji Mustapa. Dupi ieu mah lampiran, salianan serat jual
galeuh ti pun Haji Pakih ka
Aom Usman nu diartosan ku
rama Aom, juragan Demang,
jadi numutkeun segel mah
ieu tanah téh kagungan
Aom, sanes kagungan ramana, tuang ramana mah
mung ngartosan wungkul ...
nanging ka gungan Aom
sotéh ... dugi ka saat ragrag
talakna ka abdi, ayeuna mah
paratnos clik ragrag ieu téh
milik abdi ... kajabi upami
ari ditagih, ari creng mayar
tur abdi ngaleupaskeun ...
ieu tanah baris tetep milik
Aom ... mangga aos deui
serat perjangjian Aom, tetela
pisan: “Lamun dina ngaragragkeun, hutang nu R
1500,- henteu dibayar, tanah
jeung imah nu ditandonkeun
téh pindah-tangan ... sareng
saterasna.”
Nyi Rapiah eureun
ngomong, panonna mureleng neuteup Nyi Demang
hayang nyaho kumaha teurakna omonganana. Nu
dipureleng samar cabak
samar polah dumeh kieu
salah, kitu salah. Ret
padeuleu beungeut jeung
Nyi Rangga bangun hayang
ditulungan. Ku Nyi Rangga
kaharti, pok ngomong ka Nyi
Rapiah, leuleuy pisan:
“Kieu geura Enok, ibu
sarerea teu sangka meueusmeueus acan yen urusan
salaki Nyai aya kakaitna
kieu. Ku kituna, kahayang
Ibu mah Enok ulah keukeureuweut, Ibu hayang ditempoan heula aras-urus jeung
badami sakula-warga bab
ieu. Ibu téh tangtu kudu unjukan ka Mama Demang nu
baris terus nguruskeunanana, da Ibu mah paawewean
nyaho di naon.”
Nyi Rapiah dina hatena
mah seuri nenjo nu mundur
teratur téh. Mun alam kiwari
mah meureun nu disebut
“ngasongkeun usul gencatan-pakarang” tea, tapi ...
Nyi Rapiah ge atuh lain buay
awewe mun teu ngartieun
mah, yen nu atar alias
mundur-mapan téh biasana
boga tabeat licik, sok kadongdora menta tempo
heula, lamun manehna keur
kasedek kaselempek, ngarah
bisa “nyenghap” jeung
ngatur balad heula. Ari geus
ngaso dieung mepek balad
deui mah wah ... tampolanana ngadodoho nubruk ti
tukang.
Hese dicaritakeunana
rarasaan para agan nu
ngontrog Nyi Rapiah harita,
babakuna Nyi Demang.
Ngan paingan ceuk kolot,
sagala rupa anu medalna
tina teu ihlas tumuwuhna
sok jadi kadorakaan. Cara
ibu Usman, teu nolih dicaram ku salaki, teu hiding diwawadian ku baraya-baraya,
keukeuh merod hayang ngalabrak Nyi Rapiah, da ceuk
28. ijiran cacah ieu, moal enya
wanieun ngalawan merak,
moal enya mahi!
Aya dua rupa hal anu ku
Nyi Demang poho teu
kaitung. Saperkara, anu jadi
paneger jeung pangreugreug
jalma téh biasana aya opat
rupa, nya eta: luhur pangkat,
sugih dunya, rea batur jeung
teu rumasa salah (teu boga
dosa). Ninggang di Nyi
Rapiah, najan teu luhur
pangkat oge kapan gede hate
ku kasugihan bapa, ngarasa
kaliung kasiput ku baraya
jeung teu ngarasa boga dosa
atawa salah naon-naon ka
Nyi Demang. Eta saperkara
nu teu kaitung ku Nyi Demang téh.
Ka duana teu kaitung
dumeh teu terang, yen Nyi
Rapiah anu dua taun ka
tukang leuleumeuyeu cara
keuyeup téh ayeuna mah
geus jadi awewe wanter tur
sugih akal, sabab najan
jalanna henteu bruk-brak
negrak oge (atawa leuwih
merenah disebut “cacakan
bari susulumputan”) tapi rea
sobatna nu beuanng dipentaan timbangan jeung pijalaneun. Laku takabur, ngu
yup-nguntup ngahampas ka
papada kawula téh, ku ibu
Usman karasa beletokna
kana tonggong sorangan.
Turun ti golodog téh ibu
Usman alum nguyung, lesu
leuleus taya tangan pangawasa, humayungkung jiga
hayam pateuh jangjang,
ngalengkahna ge asa nincak
asa henteu.
Alum nguyung anu ti
golodog turun, jaba wirang
sarta isin, sareueul keuheul
hanjelu, pacampur nalangsa
sedih, nu ngontrog kalah
dipentog.
Satadina sumaah guntup
takabur, asa kakeupeuk kacangking, rek dicarekan sing
lebur, tapi buktina tibalik,
jadi urang nu digebot.
Geus digebot dipeureut
mani ngaluntung, tanah
lapur imah leungit, surat
talak keur panggebug, kalah
rek dibeuli duit, nu ditalak
malah atoh.
Henteu hade nu adigung
bari ujub, ngahampas ka
ka palang pasar, diembarkeun hujkumanana, supaya
jadi conto ka nu lian, disebutan dosa-dosana sangkan
ulah diturutan, bisi dibuang
cara sakitan eta.
Hiji poe di hareupeun
gedong bui téh jeung sapanjang jalan ti alun-alun nepi
ka pasar (tacan alus cara
“pasar baru” kiwari) nakleuk
ku nu lalajo, megat hiji sakitan anu poé éta rék diiangkeun ka pangbuangan
Surabaya harita di Surabaya
butuh ku mangratus-ratus
mahluk Gusti, ngahina bari
jeung lengus, abong menak
abong sugih, bisi ku Allah
kabendon.
Harita mah pangberokan
Bandung téh lain di Banceuy
cara ayeuna, tapi di nu kiwari diadegan gedong
kimidi Concoldia, gedong
wawayagon pisan pikeun
pamberokan mah.
Nurutkeun adat jaman
harita, lamun aya sakitan
rek dibuang, sok ditongtongkeun heula ka jalma rea,
ti pangberokan téh digiring
ka kapetengan jeung pulisi
parantéan pikeun nyieun
palabuhan.
Éta sakitan téh ... Aom
Usman, anu baris nadangan
hukuman dibuang sarta kerjapaksa make dirante, sabab
didakwa maehan Willem
Hoffmeyer kalawan diniatan, mergasa Agan Sari
nepi ka cingked sukuna urut
dijejekan jeung ngagelapkeun duit nagara tina
aprekin kopi jeung ladang
kai. Jumlah hukuman tinu
tilu rupa kajahatan téh lilana
“ngan” dua puluh taun. Sakitu téh geus ngitung dumeh
Mana horeng mungguh
mahluk Maha Agung, teu di
manak teu di kuring, boga
asor boga unggul, taya nu
punjul nu leuwih, mun keur
apes mah sok bobor.
ka turunan bupati anu
dibere hak adil-adilan istimewa (forum privelegiatum). Teu kitu mah boa
kudu digantung cara Si
Conat, bajingan nu ngagulawing di alun-alun
Rangkasbitung.
Perkara Aom Usman téh
lain ngan kaasup perkara
gede bae, tapi kaitung aneh,
aya menak maehan tur mahala pamajikan anu mangminggatkeun. Ku sabab nya
gede nya anéh tea, beja baris
ditongtongkeunana ka wong
akeh oge geus nyebar ka
jauhna ti tangelna. Nu rék
lalajo rea nu daratang ti
anggangna, malah aya nu ti
Cicalengka, Nagreg, Banjaran, Cikalong sagala
(jaman harita mah kaitung
jauh, jaman can aya mobil
jeung otobes). Urang dayeuh
rea anu nunda pagawéan,
nyelangkeun heula lalajo,
basana ge acan puguh ngalaman sapuluh taun sakali aya
ménak dikongkorong ranté.
Haji Samsudin jeung bojona, bapa jeung indung
Ujan Kusen, anu saumurna
kaitung tara lalajo ari lain
kabawakeun mah, harita
mah basana ge nebus
panadaran, dibelaan dianteur ku Ujang Tamim
jeung Enok Diah, lanceuklanceuk Ujang Kusen lalajo
menak dirante. Basa ge:
“Bareto anak aing Si Kusen,
datang ka dirante téh alatan
ti bojona dipaling ku Si
Usman, ari ayeuna, emh
Allah nu Maha Adil, bet anu
ngarante anak kuring ku Anjeunn dikersakeun dirante
tur alatanana nu sarua,
gara-gara dipaling pamajikanana. Ya Allah, nuhun,
sukur dumeh ku kamurahan
Anjeun kuring diparengkeun
nyaksian kaadilan Anjeun,
maparin hukuman anu
satimbang jeung kanyeri
anak kuring ka nu nandasana.”
(hanca)
Manglé 2458
27
29. C arita Nyambung
Bagian
189
Peuting ka-223
S
yahrazad
neruskeun caritana. Masih
kénéh nyaritakeun paripolah adi
jeung lanceuk nu rék nandangan hukuman.
Amjad jeung Asad silihteuteup. Sorot panonna
mancerkeun kanyaah.
Geus kitu, silihrangkul,
paungku-unggku. Masingmasing paromanna ngungun tandaning ngemu
kasedih anu pohara.
Lanceukna cacarita.
Cenah, leuwih hadé tumarima kana nasib nu
baris karandapan. Kitukieuna kumaha béhna.
Lantaran, manusana mah
ukur darma wawayangan,
ukur ngalalakonkeun nu
misti dilakonan. Pangéran
28
Manglé 2458
Asad unggeuk. Sedih
ngadéngé kekecapan
lanceukna kitu téh. Karasa
ku manéhna, najan dulur
patétéréan, kanyahna moal
éléh ku dulur pét ku hinis.
Ceuk pikirna, ngan lanceukna nu sakitu nyaahna
ka manehna téh. Amjad,
ceuk pikir Asad mah,
salawasna aya dina saban
dirina butuh ku pangbeberah. Sangeus ngadéngé
omongan adina, Amjad
ngadoa ka Nu Mahakawasa. Kekecapanana pinuh
ku kasadrahan jeung kaihlasan. Cenah, sagala rupa
gé nyanggakeun ka Pangeran Nu Murbeng Alam.
Satutas ngadoa, Pangeran Amjad malik ka bendahara nagara nu ngajanteng
gigireunana. “Kula miharep, paman nugel jangga
kaula heula méméh nelasan pati pun adi,” pokna.
“Ih, sanes kitu, Kakang!
Langkung saé rayi heula nu
sakedahna ditelasan pati
mah,” pokna.
Bendahara ngahuleng.
Bingung ngabandungan
éta nonoman téh, bet parebut hayang dipateni
pangheulana.
“Rayi, tos wé urang
pacaket! Wios paman bendahara nu nigas beuheung
urang disakalikeun,” ceuk
Amjad.
Pangeran Amjad
ngarangkul adina, kitu deui
adina, males rangkulan
lanceukna. Geus kitu mah,
éta nonoman téh dibakutet
ditalian dihijikeun. Teu
sing, meta dibeulit tambang téh pasrah wé siga nu
teu sieu ku pati.
Bendahara beuki bingung. Tapi, teu bisa majar
kumaha. Pancen raja kudu
tetep dilaksanakeun, najan
dina hatena mah teu tega.
Galibna nu rék nandangan hukuman, sok ditanya heula pamentana nu
panungtung. Bendahara ge
kitu, nanyakeun kahayang
anak dunungan téa. “Ah,
teu hayang nanaon. Ngan,
golerkéun wé kula luhureun adi kaula sangkan
mun ditigas beuheung,
pedang téh leuwih tiheula
keuna kana beuheung kula,
“ ceuk Amjad.
Peuting ka-224
Sanggeus nepikeun kahayangna ka bendahara,
Pangeran Amjad cacarita
lir ka dirina sorangan.
Ngan, kadengéeun atra ku
sakur nu araya di dinya gé.
Intina, dirina téh nyarikeun pileuleuyan kana
kahirupan, ogé nétélakeun
muga-muga cenah raja pahameun ka nu keur kajadian. Ngadéngé kekecapan
Amjad kitu, bendahara teu
kuat nahan cipanon.
Haténa mandog mayong,
aya pikir rék ngudar deui
tali nu dibeungkeutkeun ka
Amjad jeung Asad, ngan
dalah dikumaha, lantaran
30. dirina gé ukur darma
ngalaksanakeun tugas.
Rengsé Ajmad cacarita,
giliran Asad nu nyarita lir
ka dirina. Ngedalkeun rasa
haténa nu tumarima kana
nasib diri. Asad gé bangun
teuneung rék nandangan
pati téh.
Jep Asad jempé! Lengeunna tipepereket nangkeup lanceukna. Kitu téh,
dibalés ku rangkulan
lanceukna nu teu sirikna
sieun lesot ti adina.
Najan hate sungkan,
bendahara nyabut pedangna! Eta pakarang téh diheumatkeun, ngangkang
dina lebah beuhheung
Amjad. Ngan, keur kitu,
berengbeng kuda bogana
bendahara téh ngabret satarikna. Atuh, puguh wé
bendahara téh reuwaseun
naker.
Peuting ka-225
Leungeun bendahara
nu keur nyekel pedang
ngulapes. Lung wéh éta
pedang téh dialungkeun.
Geus kitu, belenyeng manéhna gé lumpat, ngudag
kuda nu ngaberetek ka
lebah leuweung.
Kuda ngabret, beuki lila
beuki jauh. Muru leuweung geledegan. Atuh, kapaksan raja gé ngudag éta
kuda, da memang kameumeutuna eta tutunggangan
téh. Ceuk pikirna, eta kuda
moal aya pigantieunana.
Blus kuda ka leuweung,
beuki lila beuki ka jero.
Leuweung nu disorangna
gé beuki remet, lantaran
memang tara kasorang ku
jalma ka lebah dinya mah.
Atuh, kuda gé kateug,
kaeurad ku reremetan, teu
bisa maju, teu bisa
mundur.
Bendahara, terus
ngudag éta kuda. Waktu
katempo kuda asup ka
leuweung, nu bogana gé
teu mikir panjang, teu
ngingetkeun karisi jeung
karempan.
Nu aya dina pipikir
anana téh ngan kudana
sieun teu kapanggih deui.
Barang nempo kuda
keur babadug, bendahara
bungah. Kajudi ku manéhna gé, kuda téh moal
bisa lesot ku sorangan
upama teu dikenyang mah.
Ceg kadali kuda dicekel,
terus ditarik sina mundur.
Kuda téh, ahirna mah ngiclik nuturkeun anu nungtun.
Kacatur, eta leuweung
téh sohor naker. Loba nu
apal éta tempat téh leuweung gerotan naker,
arang kasaba ku jalma.
Pangna kitu, ceuk nu
nyararita, di éta leuweung
téh aya maung nu gede
kacida. Lian ti kitu, rurupaanana ge pikagigiseun.
Horeng enya, kaayaan
leuweung téh lain ukur
carita. Puguh buktina,
malah kaalaman ku bendahara gé. Awak maung, memang leuwih gede batan
nu biasa! Nu matak pikagimireun, sorot matana
moncorong matak serab!
Bendahara ngayekyek!
Rek lumpat, taya tanaga.
Ragamang kana pedangna,
euweuh lantaran teu mawa
pakarang.
Pedangna tinggaleun
waktu rek nigas beuheung
Amjad.
Dina kaayaan kitu, bendahara téh rus-ras kana
lalampahanana nu geus
kaliwat. Ceuk pikirna,
meureun eta téh balukar
tina kasalahanana nu dilakukeun ka Amjad jeung
Asad. Ngan, da teu bisa
majar kumaha.
Bulé-hideungna mah,
kari tumamprak ka Nu
Mahakawasa.
***
(Hanca)
Manglé 2458
29
31. C arita Pondok
Langit Beuki Angkeub
H
ujan ti
subuh
kénéh
can eureun nepi
wayah
kieu. Sangkilang geus pukul
salapan beurang. Dalah
dikumaha, kapaksa hujanhujan gé indit ka kota lantaran isukan si Enung, anak
panggedéna, perlu tiung
keur acara paturay tineung
di SMP-na. Da tiung nu
heubeul euweuh nu cocog
cénah jeung bajuna. Enya gé
kuring sok nyieunan tiung,
da ari keur acara kieu mah
moal kapaké. Soalna can
diropéa, ngan ukur tiung
dadasar. Lamun aya sésa
bahan kakara bisa nyieun nu
rada alus. Ngajual tiung téh
ka Ibu Iroh, agén nu sok
biasa nampaan hasil karajinan ti pengrajin di lembur
kuring. Ku manéhna dihargaan lima rébu dina sahiji.
Daék teu daék kuring
narima harga sakitu, da
cénah geus pakemna. Nyieunan tiung téh geus jadi
pakasaban keur kuring mah.
Keur nyukupan risiko
sapopoé. Kuring kudu nyiar
kipayah sorangan ti saprak
bapana barudak nilar. Jenatna ninggalkeun anak
dua, sajodo, Enung jeung
Ading. Ading, sarua keur
mejehna perlu biaya. Keur
ngarambah SD kelas 5.
Sanajan panghasilan ukur
dagang tiung leuleutikan,
teu burung kacumponan
kénéh pangabutuh barudak
téh.
Hadéna kungsi sakola
ngaput di SKKP waktu ma-
30
Manglé 2458
Ku Dian Wulan
tuh di Bandung kénéh.
Manghanjakalkeun ayeuna
mah geus euweuh sakolana,
diganti ku SMP. Saprak
kaluar ti SKKP, kuring teu
nuluykeun ka SMA alatan
waragadna teu nyukupan.
Antukna buburuh ngaput ka
pabrik di lembur. Di dinya
panggih jeung bapana barudak. Teu lila papacangan
tuluy wé ngawangun rumah
tangga. Tilu taun sanggeus
Si Bungsu gumelar, bapana
barudak mindéng gering.
Saban minggu kudu waé ka
dokter. Ceuk dokter mah
akibat tina kebul di pagawéanna, keuna panyakit
ISPA. Kungsi dokter nitah
salaki kudu diopname. Ku
sabab euweuh waragna téa,
teu dicumponan. Ngan
saukur bisa check up nepi ka
nilarna. Indit ti imah duaan
jeung Enung. Si Bungsu
mah teu dibawa, da sok loba
paméntana. Dipihapékeun
wé ka bibina. Ngahaja néangan tiung téh ka mall di
kota, da ceuk Enung ngarah
loba modél jeung loba piliheun.
Hujan ngecrek kénéh.
Anjog ka hiji mall, atuh rada
teu pararuguh da sanajan dipayung ogé angger bagéan
suku mah baraseuh. Kuring
nutur-nutur Enung, sidik
Enung mah geus biasa ulin
ka mall. Ari kuring mah rada
utag-atog da arang langka
ulin ka kota, komo ka mall
mah. Keun baé utag-atog
gé, itung-itung néangan
pangalaman ka kota, nempoan modél-modél pakéan
nu alanyar, ceuk haté.
Asup ka hiji toko nu
lumayan gedé, loba baju
muslim keur awéwé jeung
lalaki. Ari tiung mah ngan
saeutik modélna, da puguh
lolobana baju téh geus diadumaniskeun jeung tiungna.
Hiji ogé euweuh nu kapaké
ku Enung. Néangan deui
toko nu lian, euweuh nu
cocog kénéh. Kitu jeung kitu
wé. Lila-lila suku karasa
cangkeul. Antukna diuk dina
bangku. Regot nginum cai
tina botol bawa ti imah.
Enung mah angger cénghar.
Geus reureuh sakeudeung, terus nuluykeun
lalampahan. Sup deui ka hiji
toko. Toko ieu mah husus
ngajual tiung jeung peralatanana, kayaning ciput jeung
sajabana. Ari baju mah henteu ngajual. Kuring nuturkeun Enung nyampeurkeun
hiji étalase. Gap leungeunna
kana hiji tiung. Kuring ogé
nyokot tiung nu lianna,
sarua modélna ngan béda
pulas. Tapi naha bet asa
wawuh kana éta tiung téh?
Diilik-ilik, bréh kana ciri
nu sok diterapkeun ka nu
jaitan tiung meunang kuring, naha bet sarua pisan?
Haben tiung diilikan da bisi
salah nempo.
“Bener, teu salah deui.
Ieu mah tiung meunang
ngaput kuring. Kaciri tandana kaputan huruf N di
juru tiung, inisial tina
ngaran kuring, “Nani”. Ngan
pédah ieu mah maké bordér
jeung payét saeutik. Tapi
naha bet aya di toko ieu? Di
mall gedé deuih? Asa teu
percaya.
“Ma! Saé nya nu ieu
mah. Cocog pisan sareng
acuk Enung,” ceuk Enung
bari mikeun tiung. Ngagareuwahkeun implengan.
Matak reuwas nempo
harga nu aya dina éta tiung.
Asa pamohalan teuing hargana tepi ka lima puluh
rébu. Bet jadi sapuluh
tikeleun harga nu ditarima
ku agén. Bédana tiung ieu
mah geus maké payét jeung
bordér saeutik. Pan modél
kieu mah kuring gé bisa
nyieun. Sok nyieun éta gé
hiji-hijieun, sasoranganeun.
Rék nyieun loba da euweuh
modal.
“Entong nu ieu lah
Nung, pangaosna awis
pisan. Pan artosna ogé mung
gaduh tilu puluh rébu,” ceuk
kuring meper kahayangna.
“Tapi Ma, nu ieu pangcocogna. Pan tos titadi milarian téh tapi teu aya nu pas
waé. Wios atuh rada awis
sakedik mah, étang-étang
pakaulan Enung kaluar
SMP!” Témpasna embung
éléh.
Lain ku harga-hargana
teuing kuring haroréam
mangmeulikeun téh, tapi asa
ku pamohalan wé kuring
kudu meuli tiung jieunan sorangan.
“Ayeuna mah milarian
heula ka étalase nu sanés,
tuh palih ditu aya deui.
Sugan aya nu langkung
mirah,” ceuk kuring bari
haté mah ngarakacak
karunya ningali budak.
Sakedapan mah budak téh
ngagugu, nempoan deui ka
étalase séjén. Sajeroning
kitu kuring ngahuleng.
“Teu aya nu langkung
cocog ti batan nu tadi Ma.”