Successfully reported this slideshow.
We use your LinkedIn profile and activity data to personalize ads and to show you more relevant ads. You can change your ad preferences anytime.

Mitra Sunda WA - Mangle 2433

7,959 views

Published on

  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

Mitra Sunda WA - Mangle 2433

  1. 1. A lhamdulillah, saparantosna urang nyeueurkeun mahabbah, ti kawitan sasih Rojab dugi ka sasih Sya’ban, ayeuna cunduk kana waktuna, urang ditepangkeun deui sareng sasih anu mulya, nyatana sasih Romadon. Sasih nu disebat sayyidusuhur, panghuluna sakabéh bulan. Margi dina éta sasih, dilungsurkeunana rohmat, dilungsurkeun mangpirang-pirang magfiroh sareng ditebihkeunnana tina seuneu naraka. Kaunggel, sakumaha dina pidawuh Kangjeng Rosul, fiawwali rohmah, waao satuhu maghfiroh waahiruhu itqu minannar. Para Mitra Manglé, Pasipatan manusa nu sarwa balagah jeung lemah, ayeuna pisan tiasa diriksa ku mangrupa-rupa ibadah. Sawangsulna, upama manusa dina sasih mulya ieu masih angger balangah jeung lemah, tangtos moal kénging ganjaran puasana. Margi kitu, para mitra Manglé, dina ngawitan sasih anu mulya ieu, mangga urang siapkeun diri, nu diantawis- na; 1.Didikan jasmani, nyaéta tumuwuhna jasmani jeung mulasara kaséhatan. 2.Didikan kasopanan nyaéta ngalelempeng létah (ucapan) jeung ngoméan raga dina ngalampahkeun hirup. 3.Didikan aktual nyaéta minterkeun akal pikiran sarta ngajuruskeunana ka nu langkung maslahat. 4.Didikan kaparigelan nyaéta ngalatih gawé geusan nyiar kabutuh hirup. 5.Didikan ilmiah, nyaéta upaya ngalengkepan manusa reujeung élmu pangaweruh anu bener tur ajén guna. 6.Didikan méntal, nyaéta ngahudangkeun acining rasa reujeung kaéndahan alam, geusan nyadap pangajaranana. 7. Didikan sosial kamasarakatan, nyaéta ngawanohkeun kana hak-hak masarakat. 8.Didikan rasa kamanusaaan, nyaéta rasa duduluran di antarana umat manusa. 9.Didikan ahlak (moral spiritual), nyaéta ngalempeng- keun katukuhan reujeung katoatan kana sagala paréntah Alloh ogé ngajauhan laranganana. 10. Didikan rohani, nyaéta ngaronjatkeun rohani geusan sumambung reu- jeung Sang Kholiq, Alloh Azza Wajalla, Alloh Swt. Mudah-mudahan. *** Marhaban Ya Romadon 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di- brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. KOLOM Hadé Ku Omong Goréng Ku Omong Tatang Sumarsono .......................... 17 PURIDING PURINGKAK Jurig Imitasi Eddy Ruswandy .............................. 24 IMPLIK-IMPLIK Makalangan di Batawi Ngondang Wisatawan ka Majalengka ......................................................... 46 SAJAK Balung Tunggal Arom Hidayat ................................ 49 CARITA PONDOK Sapuluh Tips Ma(n)yunan Saum Ihung ............................................... 20 Si Munggah Féndy Sy. Citrawarga ........................ 22 Si Panyajak Oni Déri Hudaya ....................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Alit ....................................... 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (165) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (3) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Fauziah 6 LAPORAN Pamingpin Mahing Kiruh ti Girangna Potret:Reisyan Wilujeng énjing Baraya! Wilujeng pen- dak deui sareng Ceu Onnok, si penyiar nu bageur téa, penyiar nu manis taya duana. Pendak dimana? Dimana deui, lintang di radio anu maneuh, radio kameumeut urang sadaya, Manglé FM. Radiona urang Sunda nu gumbira! ................................. 20 Sapuluh Tips Ma(n)yunan Saum Panata Rias & Raksukan: ARGA PUSPA Jl. Melong Kaler I No. 2 Bandung Telp. 022 – 91600157 HP. 087821252077
  3. 3. Puasa C euk ustad, bagja pisan cenah mun urang bisa nyorang deui puasa salila sabulan cam- pleng. Urang gé percaya, loba pisan ganjaranana cenah lamun urang bisa nyubadanan ibadah puasa dina bulan Ramadan téh. Tangtu, puasana gé henteu asal kitu baé. Puasa anu mabrur téh lamun di- pilampah kalawan nyubadanan sagala katangtuan jeung nyegah sagala pantanganana. Ceuk ustad deui waé éta téh. Ceuk para ahli, lamun dimangpaatkeun kalawan optimal puasa salila bulan Ramadan téh bakal luar biasa mangpaatna. Éfékna bisa ngawengku kana sagala widang. Dina urusan kaséhatan apan beuki dieu beuki sapagodos pamanggih para ahli téh. Puasa gedé pisan mangpaatna pikeun nyéhatkeun awak. Salila bulan Puasa awak urang kudu matok kana disiplin anu teu bisa ditawar. Dimimitian ku saur dina mangsa janari, disambung ku puasa sapoé jeput, kakara bisa barangdahar deui téh dina waktuna magrib. Ku cara mayeng kitu pada- haran urang bakal robah gawéna, kana awakna bakal leuwih séhat. Éta anu pokona. Ditambah deui ku ibadah sunahna, boh tarawéhna boh tadarusna. Latihan fisik samodél kitu bakal alus pangaruhna kana sis- tem saraf jeung jalanna getih. Komo deui lamun dibarengan ku niat anu ihlas, pasrah. Sawadina, salila bulan Puasa sagala rupa anu didahar ku urang téh kudu kadaharan anu halal wungkul. Boro-boro anu haram dalah anu makruh gé kuduna di- jauhan. Lamun anu didahar ku urang kaasupan anu teu halal, ka- maslahatan ibadah puasana bakal ngurangan. Ari anu kasebutna teu halal, lain ngan sakadar barangna wungkul tapi ogé prosésna. Gampangna mah, salila bulan Puasa omat ulah korup- si. Lantaran naon baé anu tina hasil ladang korupsi bakal milu ngura- ngan kana mabrurna puasa téa. Malah bisa jadi mubah. Lamun bener-bener dijalankeun- ana kalawan kitu, meujeuhna lamun ibadah puasa téh kamaslahatanana bakal luar biasa. Tina nu saréatna ngantep beuteung lapar salila sapoé jeput, mangpaatna lain ngan ukur kana badan tapi kana jiwa ogé bakal beresih. Lamun jiwa urang geus beresih, pasti urangna ogé moal sarakah. Ari salasahiji anu ayeuna keur jadi mamala ka sakumna bangsa urang apan lantaran loba pisan anu sarakah. Rék para politisi, rék nu arusaha, kitu deui kaom terpelajar- na, kaasup para ulamana, kum teu diwiji-wiji saréréa mani keur saru- manget pisan ngalajur napsu. Pulitik hayoh wé diparékos- parékoskeun, geus leungiteun dikaéra asal meunang untung. Agama ngan semet paséhat dina nepikeun ajaran-ajaranana tapi ari prakna mah wallahu'alam. Atuh kaom terpelajarna ogé teu tinggaleun ngajarualan élmu jeung pangabisa demi kalungguhan jeung panghasilan. Keur meujeuhna mahabu ku anu kararitu di urang ayeuna téh. Jeung geus karandel kulit beungeut deuih. Henteu kudu susah-susah kokoréh néangan keur contona, da unggal waktu nembrak di mana-mana. Komo deui ayeuna, mani siga kana naon nyanghareupan pemilu 2014 téh. Asana teu euweuheun nagara batur gé anu ngagegedékeun démokrasi. Tapi asa arang langka anu nyucud saperti di urang. Cenah kabéjakeunana dina lebah ngokola- keun nagara urang téh ngiblat pisan ka Amérika Serikat. Duka teuing lebah mana nu jadi kiblatna, da apan nu ngaranna nagara Amérika Serikat téh sakitu legana. Jeung duka naon deuih anu dijadikeun kiblatna téh. Da buktina, lamun ngiblatna ka Washington, dina lebah tata tertib ngurus nagara nu jareneng di Jakarta téh sama sakali henteu nyonto aturan jeung disiplin nu di- paraké ku anu ngalantor di Gedung Putih. Cenah ngiblatna ka New York, buktina irama jeung aturan usaha nu aya di urang henteu saperti nu aya di ditu. Papadaning kitu, perkara pajar urang ngiblat ka AS téh geus pirang- pirang dikritik. Tapi euweuh hiji gé anu kalawan nembrak sanggup méré conto anu leuwih bener nepi ka bisa diturutan ku saréréa. Tangtu, nu ngaranna ngurus nagara jeung ngurus bangsa moal cukup lamun anu jadi patokanana ngan sakadar élmu. Kudu dibare- ngan ku iman, cenah. Ari salasahiji tarékah pikeun ngandelan iman téh nya puasa. Tinggal buktina. AM Manglé 2433 3
  4. 4. 4 Manglé 2433 Wilujeng Saum Assalamu’alaikum Wr. Wb. Punten ngiring ngin- tun serat kanggo roha- ngan Koropak Mangle. Simkuring ngahaturkeun wilujeng tepang deui sareng sasih Romadon anu mulya, nu dilebetna seueur kamulyaan. Ku kituna, hayu urang eusi sasih ieu ku rupa-rupa ka- hadean sareng ngariksa diri kana lampah nu salah, kana laku nu sok kalan-kalan sering patojaiyah. Utaman deui ka pama- rentah, nu kiwari seueur kadangu masalah korup- si, musibat, pacengkadan jeung sajabana, mugi dina sasih saum mah, teu aya kajantenan kitu, malihan tiasa dijagi dugi ka sabada rengse sasih Romadon. Nyi Mangle anu geulis, Simkuring oge, ngemutan ka para mitra, mugi sing kiat urang ngalaksana- keun saum. Komo urang mah da urang Sunda, nu cek kolot baheul, urang Sunda mah biasa ngalaksanakeun saum, henteu wae saum wajib dina sasih Romadon. Dalitna urang Sunda jeung Agama Islam oge, apan kedah jadi dasar keur urang Sunda masing nyaketkeun deui sareng agama Islam. Lantaran, diantawis ciri urang Sunda apan, jalmi nu dalit pisan, nu salawasna tiasa nyumponan ajaran agamana. Margi kitu, mudah-mudahan wae para mitra dimana wae, dina nanjeurkeun agama Islam salami sasih Roma- don oge, seueur da’wah teh nganggo basa Sunda, basa lembur urang sora- ngan. Ieu memang peryogi kasadaran sareng kawijakan ti pamarentah Jawa Barat atanapi pamarentah kabupaten/- kota di Jawa Barat. Simkuring mah, asa reueus kacida, pami da’wah Sunda di- hangkeutkeun deui, ulah dugi basa Sunda nu kacida endahna, dianggo da’wah ku umat nu sanes Islam. Sakitu, hatur nuhun. Wassalam, Ujang Najmudin Ti Tasikmalaya Jujur jeung Daria Assalamu'alaikum Wr. Wb. Damang Manglé? Punten ngiring nyerat. Ku seueurna pasualan bangsa, jigana ulah nyalahkeun teuing pihak- pihak nu teu walakaya. Pacogregan di sababaraha tempat, boa-boa ieu teh balukar tina conto para pangagung nu nyarekel kalungguhan di luhur nu teu teu weleh pareum- pareum. Ketak para pihak nu resep ngulinkeun hukum jeung sipat egois pajabat, geus puguh eta teh teu mere conto nu hade. Sanajan nu kitu teh bentuk perjuangan nanjeurkeun hukum, tapi kajujuran mah kudu nomer hiji. Di urang loba pajabat, tokoh politik nu siap ngalawan kadoliman, tapi moal aya hasilna upama teu siap jujur. Jigana kudu aya gerakan siap jujur. Punten-punten ka para pangacara, ulah asal bisa ngabela nu jugala bari resep nyumputkeun data. Sanajan kakara mampuh paheuras- heuras genggerong, tapi yakin ahirna nu jujur bakal meunang. Kitu deui dina bentuk gerakan, sanajan loba gerakan anti korupsi, gerakan anti manipulasi, salila teu aya gerakan jujur mah jigana moal eureun-eureun ieu masalah teh. Tah, di tatar Sunda Jawa Barat nu kasebut loba potensi, jigana pantes lamun jadi conto, aya gerakan kajujuran. Nu ngokolakeunana tangtu para pajabat oge para inohong. Kituna teh sahenteu aya hikmah keur dirina sangkan jujur. Cek kuring mah, masalah bakal bener upama cumpon ku dua perkara. Hiji jujur kadua daria. Sanajan kasebutna daria (transparan) tapi teu jujur moal aya barokahna. Kitu deui sanajan jujur tapi teu daria, moal oge aya palajaranana. Tah, ningal pasualan pacengkadan antar lem- baga di luhur, tangtu kudu sagancangna sala- dar. Ulah aya hiji oge nu ngarasa bangsa ieu teh nu dirina. Sakitu wae nya Nyi Mangle. Sakali deui hatur nuhun. Hurip Sunda! Wassalamu'alaikum Wr. Wb. Abdurahman Bandung
  5. 5. Manglé 2433 5 Rancagé K acaritakeun mangabad-abad katukang, Jonathan Rigg, urang Inggeris, muka per- kebunan enteh di Jasinga, Bogor Kidul. Tetela eta pangusaha ti nagara Lady Diana teh katarik oge nyusun buku kamus basa Sunda. Salila sabelas taun ( 1843-1854) manehna ngadekul ngumpulkeun kekecapan basa Sunda. Nya teu burung hasil ngawujud mang- rupa buku kamus dijudulan A Dictio- nary of The Sunda Language of Java. Puguh wae buku bieu teh pohara pentingna, lain wae mangrupa buku kamus dwi basa Sunda-Inggeris, tapi oge mangrupa sumber dokumentasi aspek-aspek kahirupan urang Sunda jaman harita. Upamana wae, kacatet cara tatanen urang Sunda harita, nyawah jeung ngahuma. Atuh pare nu dipelak oge aya dua rupa, pare sawah jeung pare huma atawa pare pasir. Matak helok, tetela pare sawah aya kana 45 rupana, ari pare huma sakitu reana nepi ka 150 rupana. Naon wae? Diantarana nu kaasup pare sawah teh, Sisit Naga, Gajah Menur, Seri Kuning, Cere Bogor, Cere Malati, Beureum Gede, Beureun Loyor jeung sajabana. Atuh nu kaasup pare huma, diantarana Bentik, Beunteur, Campaka, Bujang, Bunar, Beureum Manggala, Beureum Randa, Beureum Sereh, Ketan Ban- teng, Ketan Asmara, Ketan Jaleha, Ketan Kerud, Ketan Kidang jeung sajabana. Matak panasaran, naha rupa-rupa pare nu kasebut dina kamus beunang nyusun Jonathan Rigg bieu teh ayeuna aya keneh? Atawa geus musnah? Malah lain wae saukur matak panasaran, tapi campur oge jeung kamelang. Balukar modernisasi, jelas pola hirup masarakat Sunda, hususna masarakat tani ngarandapan robahan sakitu rosana. Cara tatanen geus robah, tina cara tatanen tradisional kana cara tatanen nu ngalarapkeun padika moderen. Atuh pakakas nu diparake ku patani oge geus robah, upamana wae etem nu nepi ka taun 60an di- parake keneh ku para wanoja mangsa dibuat, ayeuna mah geus teu aya deui. Lian ti kitu, kaaripan hirup masarakat patani nu pohara mentingkeun watek rajin, taliti, leukeun, sabar, ngahormat sasama jeung ngarawat kabeungharan alam geus rea nu kagiridig jaman. Perlu didokumentasikeun Jelas, kahirupan masarakat tani di tatar Sunda, ngawengku cara hirup, ajen inajen nu jadi ageman jeung aspek budaya sejenna, pohara pentingna di- dokumentasikeun. Hal kitu pohara perluna keur nambahan pangaweruh masarakat Sunda kiwari, hususna generasi ngora, enggoning miwanoh kabudayaan masarakatna ti mangsa ka mangsa. Tah, maksud kitu nu ngajurung medalna buku Kompendium Istilah Sistem Pertanian Tradisional Sunda nu disusun ku Darpan, M.Pd, Drs. Abdu- rachman, Atik Soepandi, S.Kar, Drs. Dasum Muanas jeung Prof. Dr. Yus Rusyana. Ieu buku teh mangrupa hasil panalungtikan ka masarakat tani di sababaraha kabupaten, di antarana Kabupaten Bandung, Kabupaten Ciamis, Kabupaten Majalengka, jeung Kabupaten Lebak. Eusi buku bieu, garis badagna ngawengku Sistem Pertanian Tradisio- nal, saperti ngagarap sawah, pakakas tatanen tradisional, istilah-istilah tata- nen tradisional saperti ngaran waktu tatanen, ngaran –pakakas tatanen, kaayan pare, hama pare, gawe selingan patani jeung sajabana. Satuluyna netelakeun rupa-rupa pare pajamanan Jonathan Rigg, Pare dina kasusastera- an Sunda, panutup daptar istilah tata- nen tradisional Jawa Barat. Dilengkepan ku gambar jeung bibliog- rapi. Lian ti nataan pakakas tatanen saperti arit, asahan, aseuk, balincong, etem, pacul, rancatan jeung sajabana, ditataan oge parabot dapur saperti aseupan, boboko, ayakan, bekong, bokor, cecempeh, padaringan, pendil, para seuneu jeung sajabana. Kitu deui usum tatanen saperti usum tebar, ngarambet, usum pibuateun jeung sajabana. Ieu buku karek mangrupa ihtisar, daptar istilahna ringkes pisan. Conto, ngaran rupa-rupa manuk di sawah ku- rang disebut. Kukituna, pohara perlu- na dituluykeun nyusun buku kamus istilah tatanen lengkep make gambar atawa leuwih afdol deui ensiklopedia ngeunaan tatanen di tatar Sunda.Iraha? (kk) *** Pare ti Abad ka Abad Judul : Kompendium Istilah Sistem Per- tanian Tradisional Sunda Panulis: Darpan M.Pd, Drs.Abdurachman, Atik Soepandi,S.Kar, Drs. Dasum Muanas, Prof.Dr. Yus Rusiana. Panerbit : PT Dunia Pustaka Jaya, gawe bareng jeung Universitas Padja- djaran. Citakan ka hiji, Mei 2013.
  6. 6. Pilihan gubernur geus lila lekasan. Bulé hideungna geus puguh. Tapi, lain hartina réngsé pasualan, da nu pen- ting mah, kumaha satutas kapilih tur mancén gawéna. Malah, satutas gupernur jeung wawakilna diistrénan, rahayat loba nu nebarkeun harepan anyar. *** U pama kapamingpinan tatar Jawa Barat jadi panalinga balaréa, tangtu lantaran tina pentingna kalungguhan pamingpin. Ku lantaran kitu, teu anéh, upama ketak jeung paripolah pamingpin téh pada moconghok, pada nalingakeun ku balaréa, kaa- sup ku para ahli pamaréntahan, saperti Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH., M.Si., Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung. Pamingpin, ceuk Prof. Asep samistina apal kana keteg haté masarakat. Apal kana harepan- harepan jeung impianana. Lian ti kitu, apal deuih kana pasipatanana. “Pasipatan urang Sunda umumna, hormat ka kolot, ngajénan kaum intelektual, ogé para inohongna,” pokna. Pamingpin, keur urang Sunda mah, kaasup inohong hormateun. Atuh, pamingpin ogé kudu jadi picontoeun. “Margi pamingpin mah gambaran sareng etalasena masarakat. Ku lantaran kitu, pamingpin mah kudu jadi conto, ulah nepi ka kiruh ti girangna mun dipapadékeun kana walungan mah,” pokna basa ngobrol sawatara waktu ka tukang di Kampus Pasca- sarjana Fisip Unpad, Dago, Ban- dung sawatara waktu ka tukang. Mun pamingpin jadi gambaran masarakatna, ceuk ieu Dekan Fisip Unpad téh, paripolah jeung ketak éta pamingpin kudu mampuh nganteur kahontalna harepan masarakat. Pilihan masarakat, gambaran kapercayaan ka paming- pinna. “Jangji-jangji jeung kasanggupan calon pamingpin waktu kompanye, kudu dilaksana- keun satutasna kapilih!” pokna tandes naker. Sarua Kuat Pilihan langsung anu ‘sapaket’ jadi kakuatan keur éta papasangan pamingpin. “Boh gupernur boh wakilna ngagaduhan kakiatan anu sami,” pokna. Kakuatan nu sarua kitu, najan béda-béda pancén, tetep geusan karaharjakeun masarakat. Atuh, masarakat gé satutas éta calon kapilih, baris mopohokeun asal- usul jeung kasang tukang éta pamingpin, kaasup teu masualkeun deui partéyna. Anggapan masarakat saperti kitu, ceuk Prof. Asep, sawadina ogé jadi bahan tinimbangan daria pamingpin di Jawa Barat. Pamingpin saperti gupernur jeung wawakilna, ngemban amanat balaréa. Atuh, jabatanana disebut- na téh jabatan publik. Hartina, upama éta pajabat ngalaksanakeun kakawasaanana atawa wewenang- na, hartina téh keur kapentingan balaréa, demi kamaslahatan 6 Manglé 2433 Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH., M.Si., Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung Pamingpin Mahing Kiruh ti Girangna
  7. 7. Manglé 2433 7 saréréa. Kumaha ari pamingpin nyura- han anggapan masarakat saperti kitu? Tangtuna ogé sagala raran- cang jeung prak-prakanana mancén gawé kudu demi masarakat sakumna. “Tah, tumali sareng pancén gawé, apan aya aturan anu jinek,” pokna. Patokan keur pamingpin, lian ti undang-undang jeung aturan, ogé aya étika. Tangtu wé papagon étika mah, lain bener jeung salah, lain hadé jeung goréng, tapi pantes jeung teu pantes. “Dina jabatan publik ogé kedah ngagaduhan étika anu tangtu,” cek ieu panitén politik jeung élmu pamaréntahan téh. Nyaritakeun sual étika pajabat publik, obrolan Manglé gé ngalegot kana pamanggih masarakat ngeunaan Wakil Gupernur Jawa Barat, H. Dedi Mizwar nu masih kénéh jadi béntang iklan. Wagub masih kénéh remen midang dina layar kaca, ngiklankeun ‘barang’ dagangan. “Taya ari aturan nu ngalarang mah, mung dumasar kana étika, pajabat publik mah teu pantes ngiklankeun barang daga- ngan,” ceuk H. Asep dibarung mésem. Upama ketak wagub saperti kitu jadi bahan adu-rényom dina pakalangan balaréa, cek Prof. Asep kudu dima’lum. “Eta téh hiji ka- hariwang masarakat nu saleresna mikanyaah ka pamingpinna,” pokna. Kumaha atuh mistina? Ceuk H. Asep Kartiwa, upama masih aya kénéh sésa kontrak, kari ngabadamikeun wé jeung méré kontrak téa. “Tiasa di négo ulang,” pokna tandes. Hartina, kontrak iklan antara pangusaha jeung wakil gupernur Jawa Barat kudu di- imeutan deui. “Tangtos pangusaha gé bakal ngartos,” pokna. Hartina, pihak pangusaha ogé moal nga- bangbaluhan wakil gupernur. Lan- taran, masing-masing pihak geus silih percaya. “Ayana kontrak iklan téh apan hasil tina silih percaya. Hartina, masing-masing pihak gé kedah silih ajénan,” pokna. Demi Kapentingan Warga Pamingpin téh harepan masarakat. Nu milih jeung nu kapilih, geus ngalaksanakeun téken kontrak. Hartina, rahayat mikeun sabagian ‘wewenang’ jeung ‘kakawasaanana’ ka pamingpinna. Saterusna, nu ngurus ngatur kahirupan rahayat téh pamingpin- na. Ku lantaran kitu, pancén- pancén nu lain keur kapentingan masarakatna, ulah nepi ka nga- ganggu pancén nu samistina. Harepan kawas kitu, ogé lantaran masarakat hayang éta pamingpin ngalaksanakeun pancén gawéna kalayan gembleng. Mangsa bakti lima taun ka hareup, ceuk tilikan Prof. Asep, lain hanca garapan nu eunteung. Komo deui, ditumalikeun jeung kasang- gupan calon waktu kompanye. “Nu dijangjikeun kedah cumpon,” pokna. Dina panitén ieu ahli élmu pamaréntahan, léngkah-léngkah mitembeyan nu digarap ku guper- nur jeung wawakilna, kudu sareun- deuk saigel, nuju kana visi, misi, katut, jangji-jangjina téa. “Sakur nu dijangjikeun kedah kahontal dina dangka lima taun pamaréntahan- ana,” pokna. Geusan ngahontal kamajuan Jawa Barat, mémang lain pamoha- lan. Nilik kana poténsi nu nyampak apan teu kurang-kurang. Upamana waé butuh ku ahli dina masing- masing widang, Jawa Barat gé gudangna. Loba paguron luhur tempatna para inohong nu boga ka- mampuhan dina masing-masing widang paélmuan. “Kari ngamang- paatkeunana. Ulah aya anggapan, ongkoh seueur ahlina tapi kirang dimangpaatkeunana,” ceuk ieu Guru Besar Unpad témbrés. *** Pamingpin ulah kiruh ti girangna
  8. 8. Manglé 2433 H arita, pertengahan taun 2011, basa keur mancén tugas di Badan Bahasa Jakarta, lamun keur teu pati riweuh ku urusan administrasi kantor mah, sok ngahaja ngilu ka lapangan pikeun panalungtikan. Kuring sok ngadon papadon ka staf anu mancén tugas, ulah jadi kagok pédah kuring salaku kepala pusat ilubiung, da dina hal ieu mah naluri panalungtik teu bisa ditahan, éstu hayang apal kumaha prak-prakanana mupu data nu lain basa sorangan. Enya gé di Jurusan Sunda Unpad unggal taun aya Kuliah Kerja Lapangan (KKL), tapi ieu mah séjén deui, boh udaganana boh lokasi sarta masarakat anu disanghareupanana. Ari nu jadi tujuan nyaéta pikeun motrét kumaha sikep masarakat per- batasan nagara Indonésia--Papua Nugini kana basana. Harita anu jadi pangjugjugan téh nyaéta Kabupatén Merauké. Sanggeus sagala kaperluan jang ka lapangan téa sadia, utamana mah bahan-bahan panalungtikan, kuring jeung staf saurang miang make pesawat Garuda ti Jakarta tujuan Jayapura, minangka ibukota Papua. Di Jayapura reureuh heula sapeu- ting. Isukna kakara ka Merauké maké pesawat nu leuwih leutik. Ti awang-awang katingali sakuriling bungking héjo ngém- ploh leuweung jeung pagunungan. Komo pas pesawat rék turun mah ngaliwatan Dano Santani, pemandangan éndah pisan, tinggarunduk pulo-pulo leutik. Pon kitu deui beungeut cai tinggurilap katojo ku panon poé nu harita keur meujeuhna manceran. Reureuh sapoé pikeun aras-urus admnistrasi. Datangna kuring ka Papua téh minangka anu kadua kalina. Nu mung- garan mah harita basa meunang pancén ti Fakultas Sastra Unpad (Fakultas Imu Bu- daya ayeuna) gawé bareng jeung UNICEF dina taun 2008. Harita mah ngan ka Kota Jayapura jeung perbatasan, bubuhan kasengker ku samporétna waktu. Lalampahan ka Distrik Sota Ari nu jadi tujuan utama pikeun panalungtikan téh nyaéta Distrik Sota. Ieu distrik téh minangka wewengkon anu langsung wawatesan jeung nagara Papua Nugini. Ayana di wewengkon sabudeureun Taman Nasional Wasur. Jauhna ti Kota Merauke kurang leuwih 80 km, maké mobil pribadi mah aya kana sajam satengahan mah. Éta ogé aya beus Damri, ngan sapoé sakali operasina. Kaitung gan- cang sajam satengah téh sabab jalanna geus diaspal mulus. Kacida hawa nyong- kab panasna. Sok sanajan sapaparat jalan kénca katuhu rajeg tangkal kai bus, ngan teu pati iuh bubuhan jadina di tanah rawa, teu iuh siga di jalan perbatasan Jayapura- -Papua Nugini. Sepi pisan arang mobil nu ngaliwat, komo jalma nu pirajeunan ngulampreng mah. Di sela-sela tangkal kai bus téa aya pemandangan nu teu biasa. Katingali ting- arenclo gundukan taneuh nu jangkungna kira-kira satangtungan jelema dewasa, malah mah aya anu nepi kana tilu lima meterna sagala. Taya lian gundukan taneuh éta téh nu disebut sayang sireum (rumah semut), musamus nyebutna urang dinya mah. Anjog di Distrik Sota wanci asaran. Sanggeus lapor ka aparat, kuring jeung staf téa dipernahkeun di wewengkon trans- migrasi. Nu nempatan perumahan trans- migran téh lolobana mah asalna ti Pulau Jawa. Kaayaan perumahan téh bet asa Ci- jerah baheula taun 80-an keur mimiti di- wangun. Listrik geus aya, ngan hurungna ti mimiti magrib nepi ka jam sabelasan peuting. Pon kitu deui sinyal telepon, ayana mareng jeung hurungna listrik. Kitu gé ngan di puseur distrik bari radiusna ngan 100 méteran. Ari dur magrib téh, jalma ti sabudeureun éta distrik ting kuru- nyung bari marawa handphone moro sinyal téa. Geus manggih mah sinyal aya nu nelpon aya nu sms, marangpang- meungpeung. Ngan tampolana sok nge- nesna téh keur ngeunah-ngeunah neleponan atawa sms-an lep ngaleuit sinyal téh. Atuh obrolan téh buntu, diteruskeun deui isukna. Kadang-kadang aya ogé sinyal tipu, ongkoh aya sinyal, tapi teu bisa sms-sms acan. Bada subuh, sanajan hayang kénéh reureuh, ngahaja leuleumpangan pikeun ngarasakeun panon poé isuk-isuk anu munggaran nyaangan tungtung Indonésia wétan. Jam genep isuk-isuk geus mimiti karasa ngaheab hawa téh. Sabot tanggah 8 Dibagéakeun ku dulur salembur nu aya di Sota Merauké Urang Sunda nu Ngumbara di Sota—Merauké Ku Cece Sobarna*)
  9. 9. Manglé 2433 9 ningali langit nu beresih kénéh jauh tina polusi, inget kana lagu “Dari Sabang sam- pai Merauke”, nu sok dinyanyikeun jaman SD. Bet jadi boga pikiran, boa éta lagu téh kuduna mah ti balik. Panggih jeung urang Sunda Urang Sunda di Ditsrik Sota, aya kana opat puluh urangan mah. Basa dikumpulkeun, kacida maranéhna aratoheunana. Langsung wéh alakrab, asa panggih jeung dulur salembur meureun. Beuki peuting beuki pogot obrolan gé. Maranéhna panasaraneun kana kaayaan lemburna ayeuna. Sok sanajan geus pulu- han taun ngumbara, ari dina soal basa mah maranéhna ingeteun kénéh bubuhan sok diparaké di lingkungan kulawargana, utamana nu kulawargana pituin Sunda. Atuh pon kitu deui barudakna masih aya kénéh nu wanoh kana basa Sunda. Sawaréh deui mah lebeng da kawin cam- pur téa, jeung urang Jawa atawa Sulawesi. Malah mah aya oge urang Sunda anu kawin ka suku asli di dinya. Maranéhanana kacida nineungna ka lemah cai Sunda. Mun diitung-itung mah di Sota téh geus aya kana dua puluh taunna leuwih. Ngumbarana ka Sota téh lain ngahaja, tapi milu program trans- migrasi. Jeung deuih pamaréntah harita teu ngabéjaan yén maranéhna rék ditempatkeun di dinya. Maksud pamarén- tah mah alus na kituna mah, sangkan pen- duduk téh rata sumebarna, sakabéh pulo kaeusian. Ahirna mah maranéhna narima- keun kana nasib, nganjrek di Sota kalawan dibéré imah jeung lahan garapan ku pamaréntah. Ari asal lemburna rupa-rupa, aya nu ti Tasik, Garut, Cianjur, jeung Suka- bumi. Éta ogé harayang ari balik mah ka lemburna séwang-séwangan, ngan dalah dikumaha ongkosna beurat kudu naék pesawat atawa kapal laut. Kudu boga duit jutaan pikeun nepi ka Pulau Jawa téh. Taun-taun ka tukang di Sota aya pukumpulan husus urang Sunda ngan ku sabab pupuhuna ngumbara ka tempat lain éta pakumpulan téh pugag. Padahal keur aya kénéh mah pakumpulan Pasundan pirajeunan sok aya hiburan kasenian Sunda. Maranéhna ogé masih kénéh inge- teun kana majalah Manglé. Ngan hanjakal harita teu mawa. Pikeun ngalubarkeun rasa sono ka bali geusan ngajadi, paling maranéhna nyetel lagu-lagu Sunda dina CD anu ngahaja dipesen ka urang Sunda séjénna. Tapel Wates Ka tapel wates teu pati jauh, aya kana dua kilo méter mah. Ti kajauhan geus katingali gapura anu éndah, aya gambar Garuda di handapna aya tulisan “Good bye and see you again another day”. Di han- dapna dilengkepan ku basa daérah di dinya nu pihartieunana ‘sahaté, satujuan’. Atuh di tukang gapura aya tulisan ‘Wel- come to Republik Indonésia”. Tapel wates teu pati ketat dijaga. Malah mah aya taman asri sagala, dipapaés ku slogan-slo- gan nu ngahudang sumanget kaIndonésia- an, “Bahasa Indonésia Penjaga Persatuan dan Kesatuan NKRI”. Aya ayun-ayunan, deplang, sasaungan ala Papua pikeun reureuh. Teu jauh ti dinya aya musamus téa. Ari poé Minggu mah sok rada ramé éta taman téh, jadi tujuan wisata. Nu nga- baladah nyieun taman sarta ngariksana kalawan daria nya éta Aiptu Ma’ruf dina taun 2004. Aiptu Ma’ruf éstu anggota Polri nu matak jadi tuladan, pangabdianana ka nagara kacida gedéna tur ihlas sok sanajan ditempatkeun di tempat nu jauh pisan tungtung Indonésia bari jeung walurat, tapi sumangetna kacida ngagedur pikeun mertahankeun nagara Indonésia. Urang Papua Nugini, hususna ti Désa Wariaber, sok balanja ka Sota naék sapedah atawa laleumpang. Daratang ka Sota téh barangbeuli kaperluan sapopoé da jarak ka kota di nagarana mah leuwih jauh. Malah mah aya nu sakola ogé sabab sarana jeung prasarana di Distrik Sota leuwih onjoy ti batan di daérahna. Saliwat mah teu pati béda dina dedegan, ngan bédana dina pakulitan leuwih meles jeung warna papakéan awéwéna leuwih moro- nyoy urang Papua Nugini mah. Basana maké basa Inggris Papua Nugini, aya ogé nu bisaeun basa Indonésia. Atuh urang Indonésia gé aya nu sok nganjang ka Papua Nugini. Kuring sorangan harita ngan ukur ningali ti kajauhan kaayaan na- gara Papua Nugini da teu bisa asup leuwih jero ti perbatasan. Penduduk Distrik Sota aya kurang leuwih kana 1.000 jiwa. Suku aslina nya éta di antarana Marind kanum. Pacabakan urang asli di dinya lolobana mah moro babi ka leuweung, patani sagu, malah aya ogé anu PNS. Ari pendatang mah lolobaba dagang jeung tani. Distrik Sota dibagi dua blok. Unggal blok dibagi jadi genep jalur. Pribumi jeung pendatang nyicingan ma- sing-masing blok. Urang Sota saroméah. Ka tamu ari panggih isuk-isuk di mana waé teu weléh nanya jeung méré salam, “Selamat pagi, Bapak” bari logat nu has Papua. Ku sabab sapopoé loba campur gaul jeung urang Sunda, maranéhna ogé ngarti kana kekecapan Sunda, saperti naon, éta, euy, awéwé, geulis. Malah mah arapaleun ka ngaran Kota Bandung téh. Ngadéngé tina siaran TV transmigran sigana mah. Basa diobrolan kuring ti Bandung, maranéhna hookeun da saméméhna nyangkana Cina Jakarta. Sorot matana nyawang, pikiran- ana ngareka-reka siga kumaha meureun ari kahirupan di Kota Bandung téh. Puguhna ogé jauh pisan bédana, sagala nyampak di Bandung mah. Na jero haté kuring ngucap sukur ka Nu Mahakawasa geus lahir jeung hirup di Bandung. Tagi- wur jeung rasa nalangsa ari ras inget ka nagara nu geus rék tujuh puluh taun merdéka, tapi tacan walatra kaasaan pang- wangun ku masarakatna, cag heula. (Ban- dung, 20 Juni 2013) *) Prof. Dr. Cece Sobarna, Guru Besar Linguistik Universitas Padjadjaran (Unpad) Teu sagetih, teu saadat, tapi layeut dina ugeran Bineka Tunggal Ika
  10. 10. 10 Manglé 2433 Bagian 165 Peuting ka-176 Raja Syahraman guli- gah. Haténa teu bisa tingtrim. Atuh, sapopoéna gé remen ngahuleng miki- ran pipetaeun. Ngan, ku lantaran teu manggih pi- jalaneun, kapaksa nitah pangjurungna néang mantri nu biasa nganaséhatan dirina. Pok raja ngedalkeun maksudna. Taya deui, iwal ti miharep saran pipetaeun ngalelemu haté anakna sangkan daék gancang-gancang ngawangun rumah tangga. Pangna boga ka- hayang kitu téh, lantaran dirina rék sagancangna ngecagkeun kalungguhan. “Tah, kitu maksud kula téh!” “Bawiros, pamaksadan Gamparan langkung saé sakantenan didugikeun dina gempungan karaja- an. Ceuk emutan, upami éta pamaksadan didugikeun di payuneun jalma réa, tangtos tuang putra gé moal kersa nolak.” Raja bungah narima saran kitu téh. Ngan, moal waka dilaksanakeun harita, lantaran éta putu- san téh rék dikedalkeun dina gempungan kanagaraan. Hartina, baris dilaksankeun dina wanci anu mustari. Geus babadamian kitu mah, pleng wéh éta raran- cang téh ukur disidem. Atuh, ka Komarujaman gé taya pangaruhna, lan- taran pasemon raja gé sabihara-bihari deui. Bagian ka-177 Cunduk kana waktuna, ninggang kana mangsana, Raja Syahraman ngayakeun gempungan. Mémang, biasana kitu téh, da saban taun gé aya pajemuhan husus medar sual-sual kanagaraan kalayan diluuhan ku para- pajabat nagara. Bedana jeung gempungan biasa, ieu pajemuhan mah di- hadiran ku méh ku sakumna pajabat nagara. Sanggeus nu diondang hadir, Raja Syahraman nitah salah saurang badéga kadeuheusna, ngangkir Komarujaman. Nu diangkir teu lila cun- duk, da ieu putra raja teh keur teu ka mana-mana, lantaran apal rék aya gempungan rongkah. Acan sotéh miang ka karaton, lantaran nung- guan pangangkir, luyu jeung kabiasaan saméméhna. Gempungan lumang- sung daria naker. Rupa- rupa pasualan dipedar sarta dibadamikeun sagala rupana. Sakur nu hadir, dibere waktu keur nepikeun saran-saranna. Kitu téh, kabiasaan éta raja dina mutuskeun kapentingan balaréa. Réngsé babadamian sual kanagaraan, raja nyarita deui. Najan uru- san kulawarga, da puguh teu bisa dileupaskeun jeung urusan nagara, atuh babadamian gé teu ku- rang-kurang dariana. Caritaan raja téh malapah gedang. Mimiti méré ale- san pangna dirina rék ngecagkeun kalungguhan, saterusna ditema ku pi- gantieunana. Ahirna, dipungkas ku pamentana sangkan Komarujaman daék gancang-gancang milih rabi, ngawangun rumah tangga. Dina bagian séjén, raja téh togmol ménta jawa- ban putrana. Nya tangtu wé, Kamarujaman téh reuwas kacida. Teu nyana, éta urusan téh ditepikeun dina riungan nu dihadiran ku para- pajabat nagara. Réngsé raja nyarita, jep jarempé. Sakur nu hadir teu sirikna megeg napas hayang écés kana jawaban nu dikedalkeun ku Komarujaman. Da, loba nu apal, tiheula- heula mah, éta pamenta téh ditolak sapajodogan! Komarujaman cengkat. Diukna ajeg, teu-
  11. 11. Manglé 2433 11 teupna manco ka hareup ka lebah raja. Pok ngawalon, cenah, pa- madeganana sual ngawangun rumah tangga tacan robah. Cindekna, tetep keneh nyekel putu- san tiheula. Ngadenge omongan kitu, rey paroman raja nyiak, semu beureum tandaning getih naék ka luhur. Awakna ngadégdég nahan amarah. Da, mun kongang mah, hayang nongtak anakna nu dianggapna ngawiwirang dirina di hareupeun jalma réa. Malum, apan kana parentah raja mah tara aya nu wani nolak. “Hapunten, maksad Ama sapertos kitu, teu acan katampi!” ceuk Komarujaman. Najan nguat-nguat manéh, amarah raja téh teu burung bedah. Harita kénéh, nyeukseukan putrana. Cenah, nu asih dipulang sengit! Ku di- tolak kahayangna, keur raja mah asa dipopokan ku kokotor. Raja nangtung. Nga- lejeg hareupeun balaréa. Dina kaayaan kitu, ieu pangawasa nagara téh marentahkeun bala- baladna sangakan nyangkalak Komari- jaman, diborogod sarta diasupkeun ka pang- bérokan. Najan beurat narima parentah, balad-balad raja téh teu buurng nurut. Komarujaman dibaban- dan, dibawa kaluar ti pa- jemuhan, sarta diasupkeun ka panjara. Mémnag teu dihi- jikeun jeung tawanan séjénna, da ieu mah ukur ngawarah sangkan Komarujaman sadara jeung daék babalik pikir teu baha kana kahayang raja. Ngan, keur nu ngalamanana mah, angger wé matak tung- gara. Leng ieu anak raja téh mikir. Jorojoy aya rasa, ngarasa diteungteuingan ku kolotna. Ceuk pikirna, taya salahna nganteur ka- hayangna da teu ieuh ngarugikeun pihak séjén. Ngan, rasa kaduhung mah teu burung aya. Aya di panjara, teu bu- rung ngarasa tunggara. Leungit rasa lapar, ilang rasa tunduh. Dibéré daha- reun gé diantep wé, mun diasaan gé ukur saperelu- na. Reup peuting teu daék saré. Najan aya pitunduh- keun, geus goledag mah, teu daék reup. Kitu téh, pangaruh haténa nu marojéngja, inget kana rupa-rupa urusanana. Kocap deui raja, pipikiranana teu weléh baluweung. Ku lantaran kitu, taya pagawéan séjén nu dipilampah, da di karaton gé ukur ngobrol sapereluna. “Teu nyana kieu kajadianana,” ceuk raja ngagerendeng. Saterusna, raja nyarita deui. Cenah, sagala rupa tarékah geus dilaksana- keun. Malah, karepna ngawinkeun anakna téh, oge dumasar kana saran pihak séjén nu dianggap baris mawa hasil. Dina tungtung caritaanana, raja téh semu-semu nyalahkeun mantri, nu nyarankeun sangkan éta pakarepan ditepikeun di hareupeun balaréa. Tapi, buktina kalah meunang wiwirang lantaran baheulana anak ka bapa téh kasaksén ku balaréa. Mairan kekecapan raja, mantri nyarankeun deui. Cenah, keun waé sababara poé mah, Komarujaman téh sina ngararasakeun ayana di panjara. Ku cara kitu, bisa waé, ahirna mah sadar sarta nurut kana parén- tah raja. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2433 U jang Kusén jeung Ar- sali ku sipir dihijikeun jeung nu “hukuman énténg”. Patali jeung kudu nyieun laporan katut podrah, sakur anu aya pakuat-pakaitna kana kajadian di palabuhan, boh pa- gawé boh parantéan ku sipir dicalukan saurang-saurang, dipariksa taliti pisan; kitu deui Ujang Kusén jeung Arsali. Lebah mariksa Ujang Kusén, minangka arék nga- ganjar, sabada papariksaan nu penting, sipir nanya kieu: “Bisi manéh boga ka- hayang, ku déwék arék di- podrah ka pangagung, cing hayang naon?” Jawab Ujang Kusén: “Lamun meunang mah, kuring ku hayang nyuratan ka in- dung-bapa.” Sipiri: “Arék nyuratan naon? Minangka luarbiasa déwék baris ngidinan, béja- keun baé maksudna, engké rék dipangnuliskeun ku jurutulis.” Ujang Kusén: “Lamun tuan percaya mah ka kuring, hayang nulis pribadi, asal dibéré kertas jeung mangsina.” Sipir ngarénjag, sasat ngagurubug bawaning kagét: “Hah? Nulis pribadi? Manéh bisa nulis? Bener bisa?” Ku Ujang Kusén kaharti- eun pangna sipir sakitu kagéteunana téh, sabab jaman harita mah sok sumawonna anak somah, dalah anak ménak ogé kaitung pohara carangna nu bisa maca-nulis téh; ari ieu parantéan ngaku bisa nulis jeung ngomong saki- tu sonagarna, basa Malayuna bérés (harita mah can aya basa Indonésia malah urang Sunda nu bisa ngomong Malayu gé teu réa. Ieu gunem catur an- tara sipir jeung Ujang Kusén téh maké basa Malayu). Sipir mani olohok. Ceuk sipir: “Dimana manéh diajar nulis jeung basa Malayu?” Ujang Kusén: “Di Bandung aya Walanda, ngaranna Homan, sobat Bapa, boga anak pantaran kuring; kuring diajar nulis ngabaturan Si Sinyoh di tuan Padri.” Sipir: “Homan? Anu imahna di totogan Braga?” “Bener, éta nu sok meu- ting-meutingkeun sémah Walanda.” Sipir beungeutna béar marahmay bungah pisang, imutna mani mébér, irungna beukah, gogodeg tuluy ingguk- inggukan, pok ngomong: “Heueuh éta, losmén ngaranna. Jadi manéh téh batur sakola Win?” Ayeuna giliran Ujang Kusén nu kagét, olohok: “Enya, bener. Geuning tuan nyaho!” Duka perbawa kagagas jaman di Bandung, duka naon, sipir téh jiga nu poho yén keur mariksa parantéan, ceuleukeu- teuk seuri: “Da déwék gé urang Banceuy!” pokna dina basa Sunda. Ngomong kitu téh sipir lain heureuy. Manéhna lila ngumbara di Bandung jadi agén-pulisi, imahna di Ban- dung, lebah hareupeun bui kiwari (harita mah bui téh lain di Banceuy, tapi sisi Cikapun- dung), ayeuna mah toko lelang Wiys di lebah urut imahna téh, malah imah Homan anu sawatara puluh taun ka tukang ukur balik awi hateup kiray téh ayeuna mah jadi salah sahiji hotél panggedéna di Indo- nésia. Sipir téh enya kagagas waraas, inget jaman ngora di Bandung, disarebutna gé “Anom Royal”, ku urang dinya. Kawasna perbawa pijala- neun Ujang Kusén meunang rahmat, sanajan jadi paran- téan ogé, bet boga sipir téh nu wawuheun ka sobat-sobatna, malah sering “ditulungan” duit ku bapana geusan roroyalan kumaonam peta “anom- anom” Bandung jaman harita. Da tadina mah sipir ka Ujang Kusén téh ngan ukur wawuh ngaran. Sigana baé datangna rahmat téh bawaning ku Ujang Kusén bener-bener tobatna jeung tapakurna, nyandang ranté téh dianggap pameuli dosa. Teu dicatur nyuratanana ka kolotna, Ujang Kusén jeung Arsali ti harita digawékeun téh di kebon melak sayuran geu- san kaperluan bui, dahareun parantéan. Nya kaitung senang baé sakitu mah, mun dibandingkeun jeung nyieun palabuhan. Sabulan ti harita –-pikeun jaman harita mah pohara gan- cangna— Ujang Kusén di- calukan deui ka kantor sipir, bareng jeung Arsali. Ti sipir meunang béja, yén Arsali dibébaskeun lain duméh jasa-jasana nyegah rurusuh di palabuhan baé, tapi sanggeus perkarana ka para pangagung di Batawi (ayeuna Jakarta) di- ungkab deui sarta dipapay ku jaksa yén pitenah malulu, panggawé jelema hasud, tukang malingan muding; nu boga dosana ayeuna geus ngaringkuk di pangbérokan. Ari Ujang Kusén, hukumanana dibéré potongan sataun sarta ranténa dileupas- keun. Lantaran bisa nulis, { 3 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2433 13 kaidinan jadi jurutulis sipir (pikeun jaman harita mah teu anéh aya hukuman anu bisaeun nulis digawékeun di kantor téh, lamun katimbang henteu matak bahaya mah). Leuwih ti kitu, rangsomna meunang dibéré endog jeung daging saminggu sakali, disaruakeun jeung hukuman bangsa Walanda jaman harita. Arsali jeung Ujang Kusén nepi ka silih rangkul, silih ceungceurikan bawaning ku bungah. Kalawan paménta Ujang Kusén, Arsali balilk téh henteu tuluy ka Parungkujang, tapi ka Bandung, ngajugjug Haji Sam- sudin, dibahanan surat ku Ujang Kusén. Sipir ngidinan, malah boa surat lepasna, boh surat jalanna (supaya meu- nang tumpak kapal perdion nepi ka Cirebon jeung kahar pos perdio, sakumaha ilharna ka urut hukuman jaman harita) diatur nepi ka Ban- dung. Jaba ti duméh aya paménta jinisna, Arsali nu hayang nyaho dayeuh Ban- dung, éta deuih sipir hayang mihapé surat ka sobat-sobat heubeulna di Bandung, tapi teu matak beurat, sabab teu wudu gedé ngeupeulanana ka Arsali, jaba lungsuran, atuh Arsali téh ginding. Sakumaha ngangresna Ujang Kusén ditinggalkeun ku Arsali, geus teu kudu dicarita- keun. 2 Ti sajungna Ujang Kusén dibuang ka Surabaya, Haji Samsudin teu kendat tirakat, napakuran anak anu sasat dibuang ku manéhna pribadi. Haji Samsudin liwat saking kaduhungeunana geus ngadakwah anak, duméh nyokot duit lima rébu rupiah tina peti beusi. Awahing ambek tur jéngkél, baréto téh tuluy sapongkol jeung Haji Tajib, minantuna, sina dakwah ka hakim, yén nu dipaling téh saenyana duit manéhna nu dipihapékeun di mitohana. Putusan hakim, Ujang Kusén dihukum buang dibangbaluhan ranté lantaran ngabongkar peti beusi tur nyokot duit lima rébu rupiah, pikeun jaman harita mah pan- gaji anu matak ngarenjag ku gedé-gedéna, ma’lum atuh jaman béas tilu sén saundem- na endog hiji sasén, malah cék nu heureuy mah magar jaman cacing dua saduit. Indung Ujang Kusén nepi ka kagegeringan, kaleleban ku anak, sabab najana loba deui gé anakna, Ujang Kusén téh enodanana, geus teu aya dunya kinasihan ka éta mah. Hadéna geringna teu katutulu- yan. Haji Tajib dina haténa mah asa dipékprékan, ngan teu wani ka mitoha. Manéhna sok sering gegebegan, inget basa nénjo Ujang Kusén tas diémbarkeun hukumanana tuluy diranté, kadeuleu kénéh baé bengeutna jeung waruga adi beuteungna, kuleuheu, becepo, lodro, pias kanyos cara mayit, mata carelong, pipi aya juruan, buukna ngarewig, kumis janggot rarogok da teu dikurud, totopongna dapon nyangreudlah geus teu mang- rupa jelema bener. Ari anu pangpangna rerenjagan mah, inget kana sumpah di hareupeun hakim; harita téh bawaning ajrih ku mitohana, mani jiga heueuh ngucap sumpah ngademikeun ka Pangéran, diungkulan kitab ku panghulu bari ngi- blat. Hadé lakuna mah Haji Tajib, sakapeung sok hayang srog baé ka hareupeun hakim, nyarita terus-terang, wakca balaka, yén dakwahan baréto téh palsu, awahing teu kaduga mapalangan karep Haji Sam- sudin. Tapi, tangtu manéhna didakwa sumpah palsu, mana teuing beuratna hukumanana. Jadi, sarwa salah. Batin Haji Tajib éstuning teu aya tengtremna, lelembutanana sering maru- dah, ngadongdolek, nganaha- naha ka jinisna. Ka mitohana tampolanana timbul ijid tapi cacap ngompod, ambek nyedek napsu nguwung, ama- rah teu bisa budal. Ras inget kana bebendon Pangéran anu geus didemikeun bari ngucap asma Rasul, Haji Tajib sok rajeun ngarumpuyuk. Sabab mungguh laku palus, tangtu jadi siksa batin, moal tengtrem pipikiran, gebeg deui renjag deui, reuwas ku polah sora- ngan, ngarasa dorka diri. Najan nyumput teu kabitur, tapi nurani nu wening, nuding nunjuk ngananaha, nalungtik unggal ngulisik, keukeuh ménta paitu- ngan, tina laku palsu tadi. Awahing ku hayang nga- lebur dosa, nepi ka ragrag ucap di hareupeun mitoha jeung dulur-dulur pama- jikanana, basana: “Lamun Si Ujang balik ti pangbuangan, kaula turun kaul, rék dibéré duit pimodaleun lima rébu ru- piah sarta dibawa munggah haji kalawan sagalana tang- gungan kaula.” “Cup!” cék nu hadir, “nyakseni!” (hanca)
  14. 14. Dawuhan Alloh Swt. : Yeuh jalma anu ariman! Geus diwajib- keun ka aranjeun paruasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun supaya aranjeun tarakwa. [Al- Baqoroh: 183] T eu karaos, geuningan urang téh tos tebet deui kana sasih Romadon 1434 Hijriyah. Para ulama nyebatkeun Romadon teh kelebt sayyidus syuhur, rajana bulan, lantaran dina bulan ieu, sadayana amal ibadah jalmi nu iman mah bakal dipasihan gan- jaran nu manglipet-lipet. Ku ka- agungan bulan Romadon ogé, para ulama nerangkeun sababaraha gelar keur bulan Romadon. Di- antarana wae, Syahr al-mubarok, bulan anu pinuh ku barokah, Syahr al-fath, bulan anu unggul, Syahr al- ghufran, bulan anu pinuh ku pangampura Alloh Swt., Syahr al- huda, bulan turunna pituduh Alloh (al-Quran). Syahr al-ibadah, bulan ibadah, Syahr al-jihad, bulan per- juangan, Syahr Allah, bulan Alloh, Syahr al-Quran, bulan diturun- keuna al-Quran, Syahr al-najah, bulan kasalametan, Syahr al- rahmah, bulan pinuh rohmat Alloh, ogé Syahr al-tilawah, bulan panga- jian, maksadna dina ieu bulan kedah mémang nyeueurkeun ngaos, neuleuman elmu pangaweruh agama Islam. Margi ieu bulan ageung pisan kamulyaanana, hayu urang papag- keun ieu sasih ku kabingahan sareng medar deui élmu panga- weruh, hususna dina kautamaan sasih romadon sareng kawajiban puasa. Marhaban Ya Romadon, wilujeng sumping sasih Romadon. Kawajiban puasa dituduhkeun pikeun jalma anu ariman. Naon atuh Romadon téh? Saur katera- ngan, Romadon nurutkeun basa mah hartosna meuleum. Ku kituna naon waé anu dibeuleum, tangtos karaosna bakal panas. Ku kituna, lantaran Romadon téh proses meuleum nu saterusna nimbulkeun panas, nya dina ngalaksanakeun puasa oge lir keur manaskeun diri sangkan leuwih asak, leuwih deukeut, mahabbah ka Gusti Alloh Swt. Naon anu dibeuleum téh? Kan- tenan dina hal ieu gogodan manusa nu bijilna tina hawa nafsu, anu bi- asana ngajurung kana kajahatan atawa kana kagoréngan. Ngan, sayaktosna henteu sadaya napsu ngajurung kana kajahatan, lantaran aya ogé napsu anu anu dipiridho sareng dipaparin rohmat ku Alloh SWT. Sakumaha anu ditétélakeun dina Alqur’an: Jeung kuring henteu (ngarasa) diri bébas (tina sagala kasalahan) lantaran saéstuna napsu éta salawasna ngajurung kana kaja- hatan, kajaba (napsu) anu anu di- paparin Rohmat ku Alloh. Saéstuna Alloh téh Maha Jembar Pangam- pura, Maha Asih. [QS Yusuf: 53] Ngadalikeun Napsu Diantawis pidawuh Alloh Swt. dina Alqur’an nu nétélakeun napsu, ebreh aya dina surat Yusuf ayat 52, nu hartosna kirang langkung kieu: Jeung kami henteu ngutus saurang Rosul jeung henteu (ogé) saurang Nabi saméméh anjeun (Muham- mad) kajaba upama manéhna ngabogaan hiji kahayang, sétan ogé ngasupkeun sagala godaan-godaan kana jero kahayang éta. Tapi Alloh ngaleungitkeun naon anu diasup- keun ku éta sétan, Alloh baris nguatkeun ayat-ayat-Na, jeung Alloh Maha Uninga, Maha Wijak- sana. Sakumaha katerangan di luhur, yén ngontrol sareng ngadalikeun hawa napsu téh mangrupa tugas manusa salila hirup dialam dunya. Kumaha carana? Nya dina sasih Romadon ieu, diantara cara ngada- likeun hawa napsu téh, nyaéta ku nyumponan ngalaksanakeun puasa. Istilah puasa nu sok dibasakeun di urang, ari dina basa Arabna mah nya disebatna shaum téa. Puasa mangrupa latihan pikeun ngada- likeun napsu anu dilakonan dina bulan Romadon sabulan campleng. Atuh tujuanana ogé sakumaha dawuhan Alloh di luhur, sangkan jalma geusan jadi takwa, jeung jadi pibekeleun hirup saatos bulan Romadon. Ku kituna, upama puasa dina bulan romadon disebatna lati- han keur ngalaksanakeun takwa, mémang manusa ogé henteu mung cicing dina bulan Romadon wungkul. Dina hartos, umat Islam ogé henteu saukur mampuh ngadalikeun napsuna teh dina Marhaban Ya Romadon Ku Tati S. Hartati 14 Manglé 2433
  15. 15. bulan Romadon wungkul, tapi mampuh dilampahkeun dina bulan-bulan séjénna. Kaimanan Mangrupa Sarat Utama Jalma anu diwajibkeun puasa ku Alloh, nyaeta jalma anu iman. Margi kitu upama urang tepung jeung jalma nu henteu puasa, sabenerna henteu perlu diupat, atawa dipoyok. Lantaran anu wajib puasa mah mung jalma anu iman. Hartina jalma nu teu puasa mah, mémang teu kaasup jalma anu iman, anu meunang panggero sakumaha Alqur’an téa. Sapertina waé, di antaran ciri jalma iman téh, salah sahiji sok maos Alqur’an. Tah, jalma nu tara maca Alqur’an téh henteu kagolongkeun jalmi nu iman. Lantaran badé terang kumaha kana élmu Alqur’an, sedeng dirina ngajauhan al-Qur’an. Alloh Swt. ngadawuh: Jeung nya saperti kitu, kami ngawahyukeun ka anjeun (Muhammad) ruh (Alqur’an) kalawan paréntah kami. Saméméhna anjeun henteu nyaho, naha naon ari kitab (Alqur’an) jeung naon ari iman téh. Tapi kami jadikeun Alqur’an téh cahaya, nya ku cara éta kami méré pituduh ka singsaha anu ku kami kersakeun di antara abdi-abdi kami. Jeung saéstuna anjeun téh bener-bener nuduhkeun (jalma) kana jalan anu lempeng. [QS. Asy-Syura: 52] Sanajan puasa diparéntahkeun ka jalma anu iman, tapi upama hen- teu kuat ngalaksanakeunna, atawa lantaran kasehatanna kaganggu mah, bisa diganti ku bayar fidyah, nyaéta masihan tuangeun ka jalma miskin, sakumaha anu dijelaskeun dina surat Al-Baqoroh :(Nyaéta) sababaraha poé anu geus ditangtu- keun. Ku sabab kitu, sing saha di antara aranjeun aya anu gering atawa nuju musafir (nuju dina per- jalanan) (tuluy henteu puasa) nya (wajib kodo) salila sapoé (anu hen- teu puasa) dina poé-poé lian. Jeung pikeun jalma-jalma anu ngarasa beurat ngalakonanna wajib mayar fidyah, nyaéta méré dahar jalma miskin. Tapi sing saha anu ihlas rék méré leuwih ti kitu nyaéta leuwih hadé pikeun dirina, jeung puasa aranjeun éta leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun nyaraho mah. [QS. Al-Baqoroh: 184]. Iraha dibayarkeunna fidyah téh? Fidyah dibayarkeun saban dinten waktu urang henteu puasa, atanapi dibayarkeun sakaligus di awal-awal bulan puasa ka jalma miskin atawa jalma-jalma anu di aya dina per- jalanan (musafir). Tapi poma, kudu ati-ati ulah nepi ka awuntah, sakumaha dawuhan Alloh : Jeung geura bikeun hakna ka kulawarga deukeut, nya kitu deui ka jalma miskin, sarta jalma anu aya di per- jalanan jeung poma maranéh ulah awuntah (kana harta banda maranéh) kalawan boros. [Al-Israa : 26] Kitu deui: Saéstuna jalma- jalma awuntah téh dulur-dulurna sétan. Ari sétan téh ingkar pisan ti Alloh. [Al-Israa: 27]. Dosa dibeuleum saluyu jeung pituduh Alloh. Alloh Swt. maparin pituduh dina Alqur’an, kumaha carana meuleum dosa. Carana, nyaéta ku sedekah, amalan soléh, nyieun kahadéan, sabar nyanghareupan musibat sarta ngaleupaskeun hak qisos. Dawuhan Alloh: Lamun anjeun némbong- keun sedekah-sedekah aranjeun, éta alus, jeung lamun aranjeun nyumputkeun sedekah-sedekah, sarta dibikeunna ka fakir miskin, nya nyumputkeun éta leuwih alus pikeun aranjeun, jeung Alloh baris mupus sawaréh tina kasalahan- kasalahan aranjeun. Jeung Alloh Maha taliti tina sagala rupa anu dipilampah ku aranjeun. [Al- Baqoroh: 271]. Kitu deui dina Surat Hud ayat 11, : Kajaba jalma-jalma anu salabar (tina musibat), nga- jalankeun amalan soléh, maranéhna baris meunang ampu- nan sarta ganjaran anu gedé. Anapon meuleum atanapi mupus dosa ku cara ngaleupaskeun hak qisos, sapertosna wae nu ditetela- keun dina surat Al-Maidah ayat 45, nu kirang langkung kieu pihartoseunana: Jeung kami geus netepkeun pikeun maranéhna di- jerona (At Taurat), yén nyawa dibales ku nyawa, mata dibales ku mata, irung dibales ku irung, ceuli dibales ku ceuli, huntu dibales ku huntu, jeung tatu dibales ku tatu, ogé aya qisosna (balesan anu sarua). Sing saha anu (ngaleupas- keun hak qisos)na, nya éta (jadi) panebus dosa pikeun manéhna. Sing saha anu henteu mutuskeun perkara anu diturunkeun ku Alloh, nya maranéhna kasebut jalma- jalma anu darolim. Tepung jeung Idul Fitri Nincak bulan Romadon, pasti sok aya ahirna atanapi sok disebut lebaran atanapi Idul Fitri téa. Tah, sanaos urang lami kénéh ogé, tapi pami dina urusan élmu mah kedah terang ti ayeuna, yén sadayana amal nalika puasa sabulan campleng di- piharep bakal balik deui kana kasucian, lir orok nu kakara gubrah lahir ka alam dunya, teu kapécrétan dosa saaalit-alit acan. Fitri atanapi fitrah, asal kecapna tina fataro. Hartosna hukum Alloh. Fitrah Alloh tetep moal robah. Fitrah Alloh anu geus nyiptakeun jalma nu- rutkeun éta fitrah, sakumaha anu dijelaskeun dina dawuhan Alloh: Ku kituna prak geura sanghareup- keun beungeut aranjeun sing lem- peng kana agama (Islam) sakumaha fitrah Alloh, ku sabab Mantenna geus nyiptakeun jalma nurutkeun éta fitrah. Henteu aya parobahan dina dadamelan. (Tah éta téh) agama anu lempeng, tapi kalobaan jalma henteu nyarahoeun. [Ar- Rum: 30]. Margi kitu, dina ngeusian ngawitan sasih Romadon ieu, mangga kandelan kaimanan urang jeung paburu-buru ngahontal ampunan Alloh Swt, kalawan nyeueurkeun amal ibadah ka Gusti Alloh Swt. Mugia sagala tarékah urang sadaya kénging rido Alloh Swt, urang tiasa ngahontal kabagja- an dina saum taun ieu. Marhaban ya Romadon! Wilujeng sumping sasih anu mulya ieu. Mugia amal ibadah urang sadaya ditampi kalayan satemenna aya dina panangtayungan Alloh SWT. Amin Ya Robbal ‘Alamin. *** Manglé 2433 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS Gaduh Junub Patarosan : Wilujeng tepang deui sareng sasih Romadon. Punten tumaros, pami dina kaayaan junub, naha haram ngalaksanakeun ibadah saum? Teras kumaha pami dina kaayaan junub lebet kana waktos Subuh kalayan teu aya udzur, naha puasana sah atanapi henteu? Pun- ten, naroskeun deui téh, margi tos hilap deui. Hatur Nuhun. Ari Firman Majalaya Bandung Waleran : Hatur nuhun kana patarosanana. Muhun pisan urang téh asa teu karaos pisan, tos lebet deui kana sasih Romadon. Wios naroskeun deui ogé, margi maos ajaran Islam mah mémang ulah bosen-bosen. Sapertosna waé kana maos Alqur’an, apan kedah teras. Tah, élmu agama gé, komo ngeuna- an nu patali sareng ibadah dina Romadon mah, kedah pisan. Perkawis kaayaan junub atanapi ngagaduhan hadats ageung, pikeun urang henteu wajib ngalaksanakan ibadah saum, badé saum wajib atanapi saum sunat. Margi saur ulama Fiqih (Ijama' al Ulama) ogé, réhing anu janten salasahiji syarat sahna saum téh kedah suci tina ha- dats ageung, diantawisna kudu bébas tina junub. Kitu deui ari nu disebat sarat apanan kedah cumpon salah sahijina. Nu hiji teu cumpon mantak mangaruhan kana sarat séjénna. Anapon dina kaayaan junub (ngagaduhan hadats ageung) ngalangkungan waktos subuh dina waktos saum, naha badé saum sunat atanapi saum wajib, éta mah teu janten batal, margi illatna (nu ngajadikeun sababna) lantaranana dina kaayaan pamengan atanapi aya udzur, nyaéta kaboboan téa. Hal ieu ogé tiasa pikeun ka nu nga- gaduhan udzur anu sanés, sapertos kasiangan sareng sajabina. Ngan upama kaboboanana hen- teu aya udzur (geus jadi kabiasaan), éta mah janten dosa sareng batal, sabab darurotna teu katingal. Ieu luyu sareng dawuhan Rosul, nu mana Malaikat ngangkat (henteu nyatet), karana tilu perkara. (1) jalmi anu bobo dugi ka ingetna; (2) jalmi anu gélo dugi ka warasna; (3) budak leutik dugi ka balighna (dewasa umurna) (HR Imam Abu Dawud sareng Imam Nasa’i). Dumasar kana hadits tadi, upami diluyukeun sareng patarosan ibu, upami leres-leres kaboboan sareng teu ngahaja hen- teu mantak batal. Hartosna saum ibu sah. Namung saatosna ibu émut atanapi gugah bobo, kedah énggal- énggal ngalaksanakeun naon hal anu janten kawajiban, nyaéta bebersih (mandi ngilangkeun ha- dats ageung), teras ngalaksanakeun sakumaha biasana, tapi syaratna dina waktos Subuh, Ibu henteu nguping adzan, atanapi henteu émut pisan kana waktos subuh. Tapi pami émut hartosna sadar, teras Ibu henteu gugah, éta mah tiasa janten saum Ibu henteu sah, lantaran lengleng atawa ngalalaworakeun kana kawajiban saum nu puguh waktosna. Lajeng, kumaha pami dina kaayaan gaduh junub, kalawan teu aya udzur nanaon? Kaayaan kieu ogé sami, henteu batal saumna, mung ulah dugi ngalangkungan waktos Subuh. Margi hal ieu kantos kajantenan ku jungjunan urang Nabi Muhammad SAW anu dicarioskeun dina Hadits ti Siti Aisyah, saurna: "Saéstuna Nabi SAW kantos dugi ka waktos Subuh dina kaayaan junub alatan jima', sanés alatan ngimpén, teras ngalaksanakeun saum Romadon." (HR Bukhari Muslim). Hartosna, saum kitu hukumna sah, sok sanaos dina waktos Subuh tur gaduh junub kénéh (teu acan beberesih ngilangkeun hadats a- geung). Éta mah badé karana jima', ngimpi, atanapi hal sanésna. Ngan anu teu kénging mah, ulah ngahaja atawa sok diaya-ayakeun. Sabab lamun kitu illatna atanapi lantaran daruratna teu aya, nya lebetna kana ngalalaworakeun syaréat téa. Upami tos aya niat ngalalawora- keun saréat, éta hukumna dosa, atuh puasana ogé jadi batal. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Wallohuálam.*** 16 Manglé 2433
  17. 17. R ék alus rék goréng, omongkeun baé. Maksudna, kudu balaka, ulah disumput-salindungkeun. Alus mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun. Cacak lamun goréng gé, teu kudu sung- kan-sungkan nyaritakeun lebah mana goréngna. Kitu ayeuna mah paribasa “hadé ku omong goréng ku omong téh” disura- hanana. Kudu bruk-brak, anu ceuk légégna mah: kudu transparan. Ulah di- tutup-tutup,sangkananuséjénarapaleun. Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meu- reun mun dina basa Indonésiana mah. Kituceukayeuna.Tapi,kumahaariceuk baréto?Tétélahartiétaparibasatéhrobah, daariasalnamahteukitu.Hadékuomong goréng ku omong, maksudna: alus jeung goréngna jelema téh gumantung kana omonganana.Jalmanualusomonganana, bakal meunang pangajén hadé. Sabalikna, nu goréng omonganana, bakal diajén goréng. Cindekna, alus jeung goréngna jalma téh diukur ku omonganana. Nu di- maksud hadé atawa goréng di dieu bisa tujul kana eusi atawa substansi omong- anana, bisa deuih kana tatacara atawa étikana. Mana nu rék dipaké cecekelan, naha harti ayeuna, atawa harti asalna? Jih, nya teu langkung, Pa Adén. Apan ari basa mah boga saréréa, nya, Ceu Enéng. Ari basa mah apan mekar saluyu jeung paneka jaman. Dina kabuktianana, aya sawatara paribasa anu robah hartina, upamana waé “bengkungngariungbongkokngaronyok”, anu ayeuna sok dihartikeun: keun baé hirup ripuh gé, nu penting asal ngariung sadudulur.Padahal,dinahartiasalnamah, éta paribasa téh ngandung maksud hirup sauyunan. Tuh, apan sakitu patukang- tonggongna, nya? Tah, lebah “hadé ku omong goréng ku omong”,pikeunkaperluanieutulisan,pun uing rék nyokot harti saasal. Yén alus jeung goréngna jalma téh bakal diukur ku omonganana. Bakal alus kasebutna, mun alus omonganana. Bakal goréng kase- butna, mun goréng omonganana. Éta paribasa téh produk dina hiji jaman, gelar tina kahirupan urang Sunda mangsa kapungkur. Meureun, jaman karuhun urang masih kénéh jumeneng, omongan anudikedalkeunkuhijijalmatéhbakaldi- paké ukuran dina nangtukeun pangajén. Étapangnadinangomongtéhkuduati-ati, ulah saengabna, ulah padu heuay. Apan geus jadi kacapangan, mun kuda dicekel kadalina, ari jalma mah omonganana. Ngomong téh kudu alus, mun urang hayangdiajénanbatur.Kituceukkaruhun, anu boa-boa sumberna tina ajaran Islam. Heueuh, apan dina Quran aya sawatara ayat anu nétélakeun yén ngomong téh kudu qaulan sadida, qaulan layyina, atawa qaulan ma’rufa anu lamun dicokot baba- rina mah nya omongan anu alus téa. Malah aya kasauran Kangjeng Rosul saw. anu ceuk basa urang pasantrén mah: Sing saha-saha anu iman ka Alloh jeung kana poé kiyamah, mangka (maranéh) kudu nyarita hadé, atawa jempé. Ngan masalahna, naha jaman kiwari masih kénéh luyu ngukur hadé jeung goréngna jalma téh tina omonganana? Tah, lebah dieu, pun uing ngahuleng. Ku ngabandungan rupa-rupa hal dina mang- sa ayeuna, asa mindeng manggihan jalma anuhadéomonganana,tapisabadadiban- dungan, bet tepi kana kacindekan: éta jelema téh geuning goréng, euy! Teu mustahil pamanggih pun uing di- hualkeun:gagabahmakényebutgoréngka nu lian! Apan alus jeung goréng mah lain ceuk panénjo jalma, tapi aya dina wewe- nang Gusti Alloh. Tong sok nyanya- hoanan! Boa nu ku silaing disebut goréng téh, mungguh Pangéran mah alus. Heueuh lah, lebah dinyana mah. Sagala rupa gé, lamun geus wangsulkeun ka Anu Di Luhur mah, urang-urang téh apan teu daya teu upaya. Tapi, salaku mahluk nu boga akal, apan urang téh kudu ngagu- nakeun éta akal, pikeun nimbang rupa- rupa hal. Afala ta’qilun, naha maranéh teu ngagunakeun akal? Kitu apan pidawuh Gusti Nu Murbéng Alam gé. Hanas hasil pikiran urang teu merenah, nya mu- nasabah baé. Ceuk pun uing, teu sakur jalma alus omonganana, laju ku urang bisa dipeun- teun hadé. Dina kabuktianana, loba nu omonganana hadé, tapi dina pamustun- ganana ku urang henteu dipeunteun hadé. Beu, ari caritaanana mah kurang kumaha hadé jeung merenahna, genah kana ceuli, matak nyerep kana manah, pikabunga- heun, matak gedé haté, jeung sajabana. Tapi éta caritaan téh horéng ukur lalambé, ngan wungkul keur pangirut, leuwih jauhna sakadar pangbébénjo. Omongan haradé dipidatokeun gegede- ran, ditabeuh dina rupa-rupa forum, di- tulis tingjareblag dina spanduk, diwawar keun dina média massa, dipaké jejer lagu, jadi hiasan barang cindera mata, jeung ... wah dina naon rupaning nu bisa kadéngé jeung katénjo.Ramé pokona mah.Di jalan raya, di alun-alun, di buruan pasar, dalah di géng seselempet, pinuh ku kekecapan haradé. Heueuh, pinuh, Lur. Di mana teu- ing tuda aya omongan dina kampanyeu goréng. Bet kabéh gé jangjina mah demi rahayat. Saréréa ogé ari ngucapna mah pikeun kapentingan umum. Tepi ka asa enya, amanat UUD 1945 téh bakal sim salabim....ngarobahnu katideresajadira- harja, subur mamur gemah ripah loh ji- nawi, bru di juru bro ‘na panto ngalayah di tengah imah, kahirupan éstu raweuy beuweungeun rambay alaeun. Tapi, kituna téh ukur semet omongan, ukur catur tanpa bukur, tara dituturkeun ku buktina. Antukna saréréa jadi ma- phum, tepi ka tara ngarep-ngarep najan sakumaha hadéna omongan anu dikedal- keun gé. Moal, moal aya buktina. Nu puguh mah ukur jadi omongan tamba bau sungut. Malah boa anu ngedalkeun éta omonganharadé téh,dinaseuhseuhanana mah maranéhna gé teu ngarti kana naon anu diomongkeunana. Ana kitu mah, paribasa “hadé ku omong goréng ku omong” téh geus teu luyu jeung kanyataan kiwari. Mun kitu, naon atuh anu ayeuna bisa dipaké ukuran hadéna jalma? Tah, mun ieu mah kudu béda deui dongéngna. Sapuk? Nu nulis Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Universitas Pasundan Manglé 2433 17 HADÉ KU OMONG GORÉNG KU OMONG Ku Tatang Sumarsono
  18. 18. 18 Manglé 2433 A YEUNA waktuna pikeun ngalarap- keun éta babasan dina kahirupan sapopoé téh. Apan ayeuna urang diasongancalon-calonanggotalegislatifku partey-partey politik nu milu tarung dina Pemilu 2014. Urang diasongan daftar calon sementara (DCS) ku alpukahna KPU. KPU miharep malar urang méré pangajén kana éta DCS. Pangpangna ngeunanan tapak-lacak calon, boh bisi aya calonanukasangtukanghirupnateu(pati) hadé. Bisi aya nu nyaleg bari ngagunakeun ijasah palsu, bisi aya caleg anu tétéla kungsi basilat, bisi aya caleg anu matak mawa pangaruh goréng ka lembaga legis- latif upama manéhna engké kapilih. Ari teu wawuh-wawuh teuing mah apan teugampangmérépangajénkajelematéh. Mana komo upama pangajén urang ka salah saurang calon téh kudu disartaan ku idéntitas diri anu écés. Potokopi KTP urang apan kudu dibarengkeun jeung pa- ngajén urang. Henteu kaci surat kaléng, bisi aya paniatan nu teu hadé. Cacak hen- teu kudu disartaan ku potokopi KTP anu mangrupa identitas diri mah tangtu surat kaléngtéhbakalpasulabreng.Suratkaléng téa sing saha waé gé bisa nyieun da teu kudu ieuh tanggungjawab. Jadi, tangtu rada hésé pikeun urang méré ajén ka jalma-jalma nu aya ngaranna dina DCS. Keun wé atuh, meunteun calon-calon nu aya dina DCS mah bagian batur anu enya- nya wanoh ka salah saurang caleg nu aya daptarna dina DCS. Keun wé ari teu wawuh-wawuh teuing mah DCS téh sina jadi Daftar Calon Tetap (DCT) heula. Geus jadi DCT gé tangtu teu gampang pikeun méré apangajén téh. Ana kitu, urang pegat wé dina waktu maranéhna kampanyeu. Apan ari dina waktuna kamap- nyeu mah, dina waktuna urang bisa adu hareupan jeung caleg téa, urag Sunda mah puguh boga ce- cekelanana ti baheula. Babasan “hadé gogog hadé tagog” apan merenah mun ku urang dipaké ce- cekelan (kritéria) enggoning urang méré pangajénkacaleg-calegtéa.Soraurangtéh apan kacida hargaanana. Mana pantes upama réa caleg anu daék ngaluarkeun duit gedé pikeun meui sora urang, sang- kan dina waktuna pemilu milih manéhna, ulah milih sasaha. Urang peunteun dina waktuna kampanyeu, naha aya caleg anu ninggang kana babasan “hadé gogog hadé tagog” téa atawa henteu. “Gogog” jeung “tagog” keur urang Sunda mah hésé di- pisahkeunana. “Gogog” jeung “tagog” lir gula jeung amisna, lir tarasi jeung bauna. Arinudisebut“gogog”henteunganukur ngawengku “cara” nyarita wungkul tapi ogé “eusi” caritaanana. “Cara” jeung “eusi” anu digogogkeun ku caleg dina kampa- nyeu téa ku urang wajib diajén. Ari pancén anggota parlemén apan nyarita, ngagogog. Sangkan didéngé ku batur (éksékutif) atuh cara nyarita téh atuh kudu hadé. Ulah padu heuay. Iwal ti hadé cara nyaritana, eusi caritaanana gé kudu sarua alusna jeung carana. Nu disebut alus pikeun anggota parlemén mah nyaéta upama naon anu dicaritakeunana luyu jeung ka- hayang balaréa. Tah ku lantaran kitu, dina waktu para caleg kampanyeu téh ku urang kudu diajén boh “cara”-na boh “eusia-na. “Cara” nyarita katut “eusi” caritanana, éta nu disebut gogog dina konsép Sunda mah, sakumaha anu aya rengkolna dina babasan “hadé gogog hadé tagog” téa. Dina babasan “hadé gogog hadé tagog” tétéla pisan yén nu kudu hadé téh lain baé “gogog”na tapi oge “tagog”-na. Lain baé kaparigelan nyarita (nya “cara” nya “eusi”) tapi ogé kapantesanana, tampilanana, performance-na.Kududitaksirdinawaktu kamapnyeuna, naha éta caleg téh pantes pikeun jadi pangeusi gedong parlemén atawahenteu.Pangna“tagog”kududiajén, tayaliantisangkanparaanggotaparlemén téh henteu éléh pamor ku birokrat. Lamun pamorna geus asor mah atuh geus éléh mantén méméh tarung. Pamor anggota parlemén kudu leuwih unggul manan ja- jaran éksékutif. Urang sok teu panuju ka anggota déwan anu sok popoyongkodan uapama adu hareupan jeung jajaran ék- sékutif.Lainkudungalélég,tapikudujoro- joy tina haténa sorangan yén dirina ngarasa satata jeung sing saha waé ti ja- jaran éksékutif. Upama “gogog”-na henteu diajén, upama “tagog”-na henteu diajén, tapi nu diajén téh gedé leutikna paméréna, urang kudu daék narima upama lembaga legis- latif hasil Pemilu 2014 téh pinuh ku anggota parlemén nu méntalna korup. Pangna kitu, ku lantaran maranéhna tangtu dibeungbeuratan ku pikiran kudu mulangkeun deui duit nu kungsi dibagikeun ka balaréa basa kampanyeu. Caleg-caleg samodel kitu téh ku lantaran ngarasa sadar yén upama ngan sakadar ngandelkeun “gogog” jeung “tagog” wungkul mah moal ieuh meunang sora. Sangkan meunang sora, nya kudu mrulian ti anu ngabogaan hak sora nyaéta rahayat. Lamun urang boga niat malar hasil Pemilu 2014 téh leuwih hadé manan pemilu nu enggeus-enggeus, sawadina upama babasan “hadé gogog hadé tagog” téh dipaké cecekelanenggoning meunteun caleg-caleg nu keur kampanyeu, malar urang teu salah dina ngatukeun pilihan. Dina mangsa kiwari, meujeuhna urang nerapkeun sugrining “ajén-inajén” titing- gal karuhun urang téh dina kahirupan sapopoé mangsa kiwari. *** DI KIWARI MACA BIHARI (9) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Hadé Gogog Hadé Tagog
  19. 19. Manglé 2433 19 A ya warta pikabungaheun, “Pe- minat Prodi Bahasa Sunda Meningkat”. Kitu nu ditulis kalawarta Pikiran Rakyat (PR) édisi Saptu, 22 Juni 2013. Disebutkeun ogé yén nu hayang abus ka prodi Sastra Sunda di Unpad ngaronjat. Nu samé- méhna ngan 320 urang pikeun jalur tin- ulis dina taun 2012, kiwari mah ngahontal angka 1.431 urang dina taun 2013: 1.040 pikeun jalur SNMPTN nu marebutkeun 85 korsi jeung 391 urang marebutkeun 15 korsi dina jalur SMBPTN. Prodi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (JPBD) UPI oge ngaron- jat. Nu tadina dina taun 2012 nu daptar ka ieu jurusan ngan 250 urang, ayeuna mah ngajaul nepi ka 463 urang. Hal ieu téh pikabungaheun jeung matak reueus pisan. Tétéla geuning nu hayang dialajar basa Indung, nya éta basa Sunda téh ngaronjat sacara sig- nifikan.Masihlobanonomannuhayang jadi ahli basa Sunda boh jadi guru atawa sastrawan, jeung widang kasundaan séjénna. Basa Sunda téh jadi salasahiji basa nu dipikahariwang carem dina 50 taun ka hareup. Hal ieu jadi bukur catur balaréa. Tapi, warta dina PR tadi nuduhkeun yén masih kénéh réa nu mikahaat jeung mikadeudeuhkasundaanditatarParah- yangan téh. Numutkeun rektor Unpad, GanjarKurniamahréacalonmahasiswa nu bener-bener hayang asup ka Prodi basa Sunda kalawan jadi pilihan kahiji. Prof. C.W Waston nétélakeun, basa SundamiripjeungbasaWelshdiInggris nu baheula méh tumpur alatan jumlah panyaturna nu terus nyirorot, migrasi masyarakat désa ka kota, loba “tamu” di Jabar, gempuran média massa nu nga- gunakeunbasaIndonesia,“sekulérisasi”, loba nu humandeur para pangagung nu teu daria, jeung kolot nu teu ngagu- nakeunbasaSundakabudakna(Mangle No. 2420, 11—17 April 2013). Tapi, tétéla masih kénéh loba masya- rakat nu mikahéman basa jeung budaya Sunda. Sok sanajan jumlah panyaturna ngurangan jeung rupaning pasualan saperti disebutkeun tadi. Lian ti kitu, kalawartaSundamasihmayengmidang, sapertiManglé,Galura,jeungSundaMi- dang. Buku sastra nu dipedalkeun ogé kawilang réa dibandingkeun buku basa Jawa atawa Bali, nya éta 38 siki, nu ngawengku 28 buku buku karya sastera jeung10bukubacaanbarudakdinataun 2012, sok sanajan aya nu pindo citak. Dina khazanah basa Jawa, medalkeun 29 buku sedeng sastera Bali ngan medalkeun 9 buku, (Yayasan Kebu- dayaan Rancage, 2013). Di ranah cyber, grup-grup kasundaan sumebar. Saperti Salakanagara nu ngabogaan anggota nepi ka 16.760 kalawan jumlah dokumén 945 siki; Fik- simini Basa Sunda nu ngeus nga- hasilkeunkarya36.824naskah,kalawan jumlah anggota 5.670, fikminer 1.785, koméntar276.029,jeungjumlahjempol 396.353; Komunites Iket Sunda (KIS) nu makalangan, sababaraha kali pro- filna midang dina kalawarta PR, aktif dina rupaning kagiatan, sarta ngabo- gaan sababaraha cabang. Kitu ogé web- site atawa blog kasundaan nu lain hiji dua. Kagiatan ranah cyber nu awalna ngan di dunya maya, maju kana kopdar (kopi darat) di dunya nyata kalawan ru- paning kagiatan pikeun ngamumulé ka- sundaan. Pintonan kasenian Sunda ogé teu suda-suda, boh nu sérémonial atawa mayeng. Di Dago Tea House apan mayeng dipintonkeun rupaning wanda kasenian ti sakuliah tatar Sunda. Oge di Bale Rumawat Unpad. Festival Gunung Tangkuban Parahu nu lumangsung sa- taun sakali, acara sérén taun, jsb. Kitu ogé acara sérémonial saperti di acara lembaga, milangkala kabupaten atawa kota, jste. Rupaning lembaga kasundaan apan ngadeg, ti mimiti LBSS, PPSS, Bammus, Patrem, jrrd. Paguron luhur nu nga- jarkeun kasundaan saperti UPI, Unpad, Jeung Unpas jadi salasahiji kontribusi pikeunkasundaan.Hadiahpikeunkom- ponen kasundaan ogé lain hiji dua. Aya hadiah sastra Rancage pikeun buku sastera panghadéna unggal taun; Ha- diah sastera Samsudi pikeun bacaan barudak; Hadiah Hardjapamekas pi- keun guru basa Sunda nu mibanda prestasi pangnyongcolangna ti mimiti tingkat SD, SMP, jeung SMA; Hadiah LBSS pikeun carpon, sajak, jeung éséy nu medal dina kalawarta; Ogé hadiah pikeun sajak, carpon, ésay, jeung bara- katak pinilih nu midang dina majalah Manglé. Nilik tina ha lieu, naha kasundaan nu dirojong ku rupaning hal sakumaha disebutkeundiluhursaolahngansaukur nagenditempat?Hal-halnupatalijeung kasundaann nepi ka kiwari dianggap ngan saukur euforia wungkul. Ramé, tapi teu nuduhkeun ngaronjatna kasun- daan boh sacara kualitas boh kuantitas. Nepi ka iraha hal ieu terus lumangsung? Naha urang teu bisa saperti Korea mis- alna, nu geus ngadunyakeun kabu- dayaanana ku gumelarna Korea Culture Pop (K-Pop) sababaraha waktu ka tukang? Sok sanajan kitu, urang wajib muji syukur réa kénéh nu mikahaat, mikanyaah, sarta ngamumulé kasun- daan ngaliwatan rupaning kagiatan, ko- munitas, ayana jurusan atawa mata kuliah basa Sunda di paguron luhur, kalawarta nu ngagunakeun basa Sunda, pintonan kasenian, sarta rupaning anugerah. Bari jeung terus narékahan manéh ngaronjatkeun kasundaan dina rupaning widang jeung aspék. Hiji mangsa, moal boa Sunda ngajomantara di jaya buana. Cag! * Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Ban- dung EUFORIA KASUNDAAN Ku Reni Nurhayati
  20. 20. 20 Manglé 2433 W ilujeng én- jing Baraya! Wilujeng pendak deui sareng Ceu Onnok, si penyiar nu bageur téa, penyiar nu manis taya duana. Pendak dimana? Di- mana deui, lintang di radio anu maneuh, radio kameu- meut urang sadaya, Manglé FM. Radiona urang Sunda nu gumbira! Hapunten, kamari-kamari, Ceu Onnok tidak mengudara. Kamari téh Ceu Onnok ngiring démo ka Jakarta. Ceu Onnok pencak-silat di ditu. Ceu Onnok mengepalkan tangan di udara. Ceu Onnok, orasi, ambek-ambekan. Bongan tuda, BBM naék. Sagalarupa teuing. Baraya ho- yong terang kumaha orasina Ceu Onnok di ditu? Kieu yeuh: “Bapa-bapa, ibu-ibu nu boga nagara, déngékeun! BBM tong ditaékkeun. Pusing. Engkéna sok sagala naraék. Harga naraék. Ojég naraék. Béca naraek. Bawang. Uyah. Kiridit, sok pipilueun. Tukang minyak. Tukang baso. Ma Ijoh. Ceu Enting. Listrik. Bapana budak, sok pipilueun. Gedé ambek. Ka- malang-kamarancing. Riweuh. Pahibut. Jaba rék hajat. Nyam- bungan. Loba hutang aing mah. Budak sakolakeuneun. Patungan jalan. Patungan masjid. Jaba pagebug. Hama. Panén, gagal. Balong uruseun. Bedah. Cararoblong. Duh biyung.Pokona BBM tong naék. Mun BBM tetep naék, kami rék terus démo, rek terus menyuarakan hati nurani rakyat. Hidup rakyat. Hidup BBM. Hidup Pancasila.” Tah kitu orasi Ceu Onnok. Wah meunang tepuk tangan. Bérés orasi terus maca sajak. Naék ka luhur mobil. Muka baju. So- lawatan. Ramélah pokona. Matak Ceu Onnok loba penggemar di ditu. Loba nu ménta tanda-ta- ngan. Polisina gé ménta poto-poto jeung Ceu Onnok mah. Jokowi, datang méré nasi bungkus. Wuh, kerénlah. Jaba nang tender, meu- nang kartu-nama ti Hanung. Cénah dititah miluan casting keur film Sukarno. Kataji meureun ku ék- ting Ceu Onnok. Heuheu. Ngan nyakitu, balikna wé nu apes mah. Kating- galeun rombong- an, da Ceu Onnok dirariung waé wartawan. Duh, piambaraheun. Hég duit leungit aya nu nyopét. Jaba nyasab. Ka- tulunganna mah, untung aya Cép Ihung. Nuhun ah ka Cép Ihung di mana waé ayana. Nuhun parantos nitip- keun Ceu Onnok ka konéktur. Tah kitu gening para wargi. BBM téh keukeuh naék. Tos nasib urang meureun nya. Tapi keun waé, ulah teuing janten sedih papanjangan. Se- lami masih aya Ceu Onnok, se- lama Manglé FM mengudara, selama Manglé lovers jagjag- belejag, selama itu pula tidak ada duka diantara kita. Urang mah cuang terus hiburan. Terus menjaga galumbira. Manglé lovers anu balageur, dinten ieu Ceu Onnok gaduh téma anu gokil. Téma nu mudah-mudahan memikat hati kita. Naon cénah témana, Ceu Onnok anu gaya? Tos teu sabar nya. Téma kita kali ini adalah: 10 tips menghadapi bulan Romadon. Naha Ceu Onnok nyandak téma ieu? Pédah Ceu Onnok nuju gaduh gebetan putra mama ajengan? Hihi. Sanés. Mung pédah seueur pisan, utamina Manglé lovers anu aranom, anu gara- low, nwitt ka Ceu Onnok. Saurna, sok rareuwas pami badé sasih saum téh. Asa tacan tatan-tatan. Can siap meng- hadapi ujian. Tah matak, mudah-mudahan, téma hari ini, tiasa masihan inspirasi, tiasa janten bekel, bagaimana kita menyiapkan diri, sasaged enggoning mayunan sasih nu pinuh berkah. Oké! Ayeuna cuang lang- sung wé kana tips anu kahiji. Mangga ka Manglé lovers anu badé nyiapkeun heula catetan, diantosan ku Ceu Onnok. Hiji, tips mayunan sasih saum, nyaéta dengan mem- buka-buka lagi diary kita. Ti- ngalian. Ari prak aya seratan: Dear diary, hari ini aku nyeri haté pisan. Si Aa mutuskeun untuk yang ke-9 kalinya. Jadi aku nangis lagi. Jadi we puasa gé batal... Dari data itu, mari kita tanya, tos dikodoan tacan batal urang taun kamari? Pami teu acan, buru geura kodoan heula. Sekali lagi mottonya: ulah ninggalkeun hutang se- belum hutang-hutang yang baru bakal numpuk. Sik langkung beurat nanggungna. Atanapi na diary tercatat: Ari atos mah asa hanjakal ngara- gaji gagaduhan carogé. Karunya, jaba diémut-émut kalah rugel nyalira. Ah da éta tuda, si Aa mah sok kabina- bina. Teu ningal nuju datang bulan tanapi hanteu, sok wé mamaksa kedah ditumut ka- hoyongna... Tah, bilih aya ibu- ibu siga kitu, énggal geura nuhunkeun hapunten ka carogé. Nuhunkeun dijanglar tina sagala dosa-kalepatan. Bulan suci, langkung saé di- dongkapan ku diri anu beresih, nu caang bulan papa sangan. Tips nu kadua, lakukan operasi plastik. Saurkeun ka dokter, pangageungankeun tikoro sareng beuteung kituh. Naon gunana? Krusial pisan. Améh urang tiasa nyimpen emameun sadinteneun, sukur-sukur sasasiheun. Apan upami lam- but urang ageung mah, Sapuluh Tips Ma(n)yunan Saum Carpon Ihung*)
  21. 21. Manglé 2433 21 martabak sapanci tiasa disim- pen, jambu nu malolénang, és cream, malah pami tiasa mah jeung kulkas-kulkasna cuang simpen na genggerong. Siang- siang, lapar, pan tos nyampak jawadah satalawéngkar. Siang- siang haus, pan tos nyampak kalapa-muda satéténong. Aman. Puasa tidak tergoda lagi lapar dan haus. Tiga, mulailah rajin olahraga. Bila perlu dongkap- keun pelatih fisik ka bumi. Naon margi? Keutamian Ro- madon, sanés waé tinu wa- jibna, tapi ogé tinu sunahna. Aya tarawéh-witir, tantangan urang. Tah sugan, ari urang geus kuat fisik mah, tong boro tarawéh 11-23 rokaat, rék sa- baraha waé oge siap dengan sesungguh hati. Lain ieu mah karék wé 4 rokaat geus huma- rurung. Geus kambuh jeung éncok, jeung lungsé, tuur geus ngaleketey, panon berkunang- kunang jeung sariawan. Ahirna nambru di hari ke 4 ke 5. Pleng wé, kadituna teu embol-embol deui ka masjid. Teu tarawéh-tarawéh deui. Nu ka opat, berkaitan den- gan faktor eksternal. Nu badé disanghareupan ku urang lain tibang nahan lapar sareng ho- yong eueut wungkul. Tapi ogé nahan tina hal-hal keburukan séjénna. Hal-hal nu matak lugar jeung nyamos pahala saum. Diantawisna serangan ti kaum tekhnologi, ti kaum maya dan lain-lain. Kumargi kitu, tiasa ogé mulailah diajar mareuman hapé, cabutan modem internét, balédogkeun tipi jeung cd-dvd. Ulah dugi, keur ngeunah-ngeunah wargi puasa, kirining hapé disada. Prak, nu nagih hutang. Atuh janten kaémutan. Jadi ngagi- dir napsu. Janten ambek hayang maéhan nu nagih. Tuh pan, janten cukang datangna sétan. Nuju kalem-kalem tadarusan, lol panon ningal bujur dina tipi, leketey atuh sang manah. Kereteg janten hoyong nyabak gagaduhan pun bojo. Rapuh deui kaimanan téh. Gubrag deui puasa téh. Komo cénah Mang- lé lovers nu aranom mah, méh teu karaos ngantosan buka, nya mukaan heula situs bokép. Duh aing mah. Ceu Onnok mah teu maido pisan ka nu kitu téh. Ngabuburit, babala- pan. Ngabuburit, ngaromongkeun batur. Komo ngabuburit bari ngulek éndrin kanggé dituang ku bapa Kuwu mah. Naudzubilah...Atanapi kieu. Tah ieu tiasa janten tips anu ka lima. Manglé FM pan gaduh program ayeuna téh. Nyaéta program mengadakan pelatihan dan workshop menulis. Sok darongkapan. Mangga, dialajar. Aya saéna. Daripada digarosipkeun bari sisiaran, bari ngangeun ken- tang, ning diseratkeun saur Ceu Onnok mah. Ngéwa ka tatanggi, tong diobrolkeun di dapur, tong diémbarkeun na sapéker. Hiji, taya gunana. Dua, apan nu tadi téa bilih kalah der matak ngaham- pakeun pahala. Ning dise- ratkeun ku urang mah. Dijantenkeun inspirasi, boh keur sajak, novel atawa car- pon. Gaduh tatanggi, ngéwa da judes waé, cuang seratkeun kana naskah drama. Kintun- keun naskahna ka Kang Dadi. Sugan dipentaskeun na FDBS, pan janten manpaat. Aya batur pirujiteun, tong diteluh, karunya. Cuang serat janten bahan disertasi atawa tésis. Leres teu? Pami lepat, carékan hayam pelung. Naha kituh mun kongkorongok sok nempo ka luhur? Sok tah. Sakantenan ka Manglé lovers nu terang jawabanna, mangga, kénging doorprise ti Ceu Onnok. Tiasa ditelepon tanapi sms-keun ka 081323144164. Sok diantos. Heuheu. Tips nu ka genep, naon nya? Oh, ieu mah tips ti sepuh Ceu Onnok. Tips kanggé ibu- ibu. Dina nyiapkeun buka puasa mah, teu kedah nganggé emameun atawa eueuteun nu saé-saé. Lebar. Nyaah. Spaghéti, saté domba, sop kalkum, jus limun, torabika dan lain-lain éta mah keur sahur wé. Keur buka mah, saayana wé. Baé da keur nu lapar mah sagala gé didahar, digares. Taroskeun geura ka anu kasurupan. Batok kalapa gé disangki dorokdok. Dedek kopi disangki brownis. Cai kokocok siga és sirsak. Muhun, lalampahan pun biang éta mah. Sok haré-haré mun buka puasa. Pokna téh, buka puasa mah ngeunah ngenyotan kulub tutut gé. Mun sagala aral-sagala teu daék, éta tanda teu puasa. Jadi wé harita gé Ceu Onnok mah api-api nikmat. Padahal nu digayem téh ganyol ateul. Tips untuk menghémat ieu mah. Tapi teu nanaon cuang cobian. Buka puasa bersama dadar beling. Pais sopték. Urab injuk. Tu- lang-taléng. Kérécék cangcut. Angeun oréa. Abon korong. Jus cangkudu. Duwegan kalapa sawit. Hihi. Didalahar moal nya ku nu lapar? Buka puasa bersama di hotél Panghégar dengan ménu sisit kadal. Darongkap moal? Buka puasa bersama Guber- nur Jabar dengan ménu tauco dicampur hamperu galandan- gan nu maot katabrak karéta terus lalabna daun kacapiring terus sanguna kéjo garing nang moé sataun kahujanan- kaanginan... Badé ngiringan moal, urang? Buka bersama anak-yatim. Tapi anak-yatimna kudu maké seragam. Terus anak-yatimna kudu ngajéjér sisi jalan, améh katingali menyambut anje- unna dengan meriah. Terus anjeunna ngadadahan tina mobil, dengan wajah yang diusahakan sumringah. Terus kudu diwawancara ku tipi da rék ngomong bahwa partéy yatim piatu sangat mencintai anak-yatim. Untuk itu dukunglah kami di pemilu yang akan datang. Buka puasa bersama kiai terkenal dengan udunan 100 rébu éwang tapi tanpa jamuan makan; ngan ukur foto bareng wé jeung ki- aina dan dapat sertifikat dan tanda tangan langsung ketua penyelenggara... Badé dongkap moal? Hihi. Ari Ceu Onnok ngomong naon nya. Sok janten ngacacang. Kieu yeuh ari nuju galow téh. Untung Ceu Onnok mah tetep lucu dan cantik, dan yang terpenting tetap setia menemani Manglé lovers sam- pai berderai galumbira. Oké?! Kita lanjutkan. Uih deui ka tips menghadapi sasih Romadon. Yang ke tujuh. Kanggé para orang-tua nu gaduh mu- rangkalih baraong, ieu mah. Jangan biarkan pintu kamar anakmu tertutup, siang-siang. Panto dapur tong dikoncian, panto goah jeung sajabana. Sabab lamun panto kamer ter- tutup, éta mengundang seléra kanggé ngedekes ciki jeung kiripik tanpa sieun katohyan ku ibu-rama. Tips ieu dongkap ti hasil survey Lembaga Peneliti Batal Puasa Kaum Anom (LPBPKA) di tatar sunda. Dari hasil survey ka 1000 murangkalih, tempat- tempat nu sok dijantenkeun tempat nyumput batal puasa nyaéta: 60% di kamer. 15% di goah. 10% di dapur. 7% di kamer mandi. 5% di kebon. 3% di warung nu nyingkur. Tah kitu. Kanggé eunteung ibu- bapa ieu mah. Janten mulai ti ayeuna, siapkan buku tamu lebah lawang kamer, lawang goah, dapur dan sebagainya. Tuliskan alasan dan tujuan mun murangkalih urang badé arasup ka dinya. Bila perlu pariksa na saku bajuna, na kantong calanana. Nu kadalapan. Lakukan ker- jasama dengan Mendikbud. Kaluarkeun aturan yén salami bulan Romadon, setiap sakola teu kénging nampi pungutan. Améh naon? Améh taya alesan kanggé murangkalih nuhun- keun bekel berlebihan. Hal ini dilakukan untuk meminimal- isir uniko (usaha nipu kolot), anu kadituna disalah guna- keun kanggé meser és lilin, teras batal diperjalanan uih sakola. *** Keur anteng Ceu Onnok macakeun tips-tips, kirining sora telepon. “Hallo, Manglé FM. Wilu- jeng énjing. Sareng saha, di mana?” “Hallo. Engkos, di Batujajar. Ceu, ari laguna mana?! Asa ngecebrek waé!” Klik. Telepon ditutup. “Ih haram jadol,” Atuh Ceu Onnok kutuk-gendeng. “Pent- ing mana lalaguan jeung pisur- gaeun!” cénah bari ngagusekkeun gagang telepon. Lat poho kasiaran. Kalah manyun sahaseupan.*** Bandung, 2013 *) Lahir di Majalengka. Ayeuna nuju nyiapkeun ideu kangge ngadamel carpon nu judulna “Sasakala Pamimpin Urang Teu Balener”
  22. 22. 22 Manglé 2433 "MUNGGAH, munggah, insaalloh saum téh cios din- ten énjing....," mani nong- toréng béwara tina sapéker di masjid. Duloh kalah ny- ocokan liang ceuli. Kolébat beungeut Ma Ojoh, pama- jikanana, dituturkeun be- ungeut Si Onih, anak bungsuna. Berebey cimata maseuhan pipi, labas kana kumisna nu cokrom. "Hampura Ema, hampura Onih," gerencemna, sumam- bat ka nu di imah. Taya nu némbalan. Panénjona nanceb kana jaruji beusi, ngulincer kana témbok beton, teup eunteup kana lalangit. Hayang berengbeng kabur seja marengan nu munggah di imah, pamoha- lan. "Gara-gara si kurang ajar!" habek peureupna me- upeuh témbok. Dua budak lalaki nu carinekul di juru tangka ngarénjag. "Enggeus Pa, tamaha urang," ceuk nu saurang ngupahan. Nu disebut si ku- rang ajar téh taya lian Si Mémét anak cikalna. Enya si éta nu nyababkeun Duloh jeung dua urang budak la- laki kiwari ngaringkuk di tahanan polsék téh. Kedepruk-kedepruk sora sapatu ti jauhna, beuki deu- keut beuki atra, lir atrana katunggara na haté Duloh. "Ampun Pa ampun...," kabayang deui Si Mémét pupuringisan ménta ampun. Saeutik gé harita mah teu hayang ngaham- pura. Ngan ayeuna karasa aya nu nyeuit na atina. Nu ngedepruk jebul. Bréh, patugas ngaroris. Manéhna balik deui. "Moal, moal kabur!" Duloh kekerot. Najan enya gé ayeuna téh usum mung- gah, usum suka bungah tata- har kadaharan saaya-aya keur kulawarga, apan isukan téh munggaran ngalak- sanakeun kawajiban puasa Romadon. Hayang nyadia- keun dahareun rada isti- méwa da kitu galibna ningan, sahenteuna si bo- rontok mah kudu kaasaan. Mangkaning Si Onih mah siga taun tukang, saur gé caman-cémén. Tah lamun aya daging, rada moho. Munggah, keur sakumna umat Islam di pilemburan sok ubyag ku pirang-pirang ritual, aya nu diangir mandi, aya nu nadran ka makam, aya nu sasadiaan keur dahar saur, malah di kota mah aya nu ngahaja balotram curak- curak da poé isuk mah puasa moal sukan-sukan barang dahar pajah téh. Panon Duloh mindo teu- teup kana lalangit, puriding, keueung. Teu nyangka sacongo buuk kudu ngala- man hirup di tahanan. Nyaan, paingan ceuk papa- gah kolot, napsu nu matak kaduhung badan anu katem- puhan. Tapi deuih da teu napsu-napsu teuing atuh, awahing hayang ngadidik ka Si Munggah, enya Si Mémét téa anakna nu nyieun gara- gara. Janari leutik harita téh keur meumeujeuhna ngimpi di alak paul. Tapi teu burung tingkoréjat basa kana panto aya sora ngagebrug. Geus apal kalakuan Si Munggah. Matuh, unggal mantog uluk salamna téh ku najong panto. Kituna téh bari walahwah weuleuhweuh weureu arak. Boh Duloh boh Ma Ojoh taya nu teu kacu- gak mamaras haténa. "Buka panto....!" Si Mung- gah ngowowong bari nye- butkeun ngaran hiji sato. Tara loba omong, nu pangheulana ngadéngé gura-giru muka panto. "Buru kéjo, aing lapar!" Garawak deui. Ma Ojoh mani dagdag-dégdég. Ari rék diasongkeun, nu méntana geus nyegrék badis si bopih héés di kolong golodog. Mun ngaguher kérék, méakkeun kasuka tas ngi- num alkohol Si Munggah tara hudang téréh-téréh. Mun pareng nu muka tulak téh bapana, enya Duloh, kudu baé meunang panyacampah. "Hararésé pisan muka panto téh?" Matana hurung. Jekuk sapatuna nu geus cewaw dipaké ngajablog- keun panto. Duloh bati istigpar. Angot mun nu mukana Si Opay atawa Si Didit mah kudu baé meunang oléh- oléh, sirahna didegungkeun. "Munggah-munggah, én- jing cios saum insaalloh," nongtoréng deui sora béwara ti masjid tong- goheun kantor polsék. Ngadéngé kecap munggah, Duloh sok inget ka Si Mung- gah minangka ngaran nénéhna Si Mémét, anal cikalna. Dimunggah-mung- gah gé apan Si Mémét téh ngajuruna pareng poéan munggah, tilu puluh taun kaliwat. Kolébat beungeut jenatna Yati, indung teges Si Mémét. Ku Féndy Sy. Citrawarga
  23. 23. Manglé 2433 23 "Muga-muga baé budak téh sing walagri Kang, rék awéwé rék lalaki," ceuk Yati harita bari ngusapan beu- teungna nu bulan alaeun. Duloh unggeuk. Ngarasa bagja sabab laki rabi geus lima taun can dipercaya boga turunan ku Gusti Alloh. Kabiruyungan. Wancina gubrag ka dunya, enya poéan munggah tëa brol orok lalaki. Nyusurup jeung poéan munggah, in- dung Si Mémét méré nga- ran nénéhna Si Munggah. "Sugan wé jalu manéh téh hirup beresih siga bara- resihna jalma-jalma nu munggah," ceuk indungna. Bubuhan budak meu- nang tipepereket ngadunga bari ngan hiji-hijina, mo- kaha Si Munggah diogo pisan, pangpangna ku in- dungna. Sagala kahayang teu sirikna dicumponan, kalan-kalan saré gé dikeu- keupan baé siga sieun aya nu nyulik. Mun aya nu barang geureuh, kolotna diontrog bari dicarékan. "Warah budak téh, nyaho Si Munggah mah teu ka- opan," pajah téh. Duloh onaman biasa- biasa baé, ngenod teuing henteu, galak teuing hen- teu. Kuma umumna wé kolot ngatik anak sangkan daék sakola, ngaji, malah- mandar jaga hirup bener. Sup ka SD. Kungsi deuih ngaji. Éta gé meunang diolo-olo ku Duloh da ku indungna mah tong dipak- sa-paksa cenah budak em- bung sakola téh, karunya. Carékna téa mah asal hirup gé geus untung. Kitu pami- kir indungna baning nyaah ka Si Munggah téh. Nincak rumaja, Si Mung- gah salin jinis jadi budak baragajul da puguh sakola teu junun. Nyaan cééhan, teu kaop digeureuh-geu- reuh, teu kaop dihulag, teu kaop disisiwoan, langsung nyégag. Témahna mindeng galungan jeung babaturan- ana. Antukna sakola teu junun. Indungna kakara sadar, ning boga anak kitu laku téh malindes ka kolot- na. Nu ngomongkeun tingkecewis, nu ngontrog tipopolotot, angot basa Si Munggah urusan jeung pulisi nepi ka dibérokna mah, haté indungna asa di- wewejét. "Naha atuh manéh téh maké bijil poéan munggah ari laku lampah euwah- euwah mah?" Yati kage- geringan mikiran Si Munggah, nepi ka han- teuna pisan. Duloh pruk kawin jeung Ma Ojoh, boga turunan satilu-tilu, Si Opay, Si Didit, jeung Si Onih, budak awéwé hiji-hi- jina. Ditinggalkeun indung, lampah euwah-euwah Si Munggah mungguh ngagu- ruh, siga euweuh pamun- tangan. Kabur ti kolot, hirup lunta sakaparan- paran jadi préman. Puguh wé beuki ngajago. Basa gubrag Réformasi, mun ba- heula aya petrus loba kara- man dikarungan, jaman Réformasi mucunghul amuk massa. Si Munggah, siga batur-baturna, ngistrika kokodna nu aya tatoan, teu beresih. Ka- paksa disumput-sumput. Aya kasieun dirempug balaréa nu gangas kadong- sok krismon. Ning mun aya préman beunang, laju di- kerepuk teu meunang ampun, terus dibanjur minyak béngsin, gur didu- ruk. Si Munggah ngompod ogé. Nya ngulunu ka ba- pana. Duloh bati bingung, ditarima kumaha ditolak kumaha. Antukna léah, nya ditarima wé da burung palung bodo gélo gé anak sorangan. Hadéna Ma Ojoh gé léah. Mimitina mah Si Munggah katémbong lin- deuk, sari-sari nyantri, kuma umumna préman usum Réformasi ningan. Béh dieu-béh dieu, euwah- euwah Si Munggah kan- ceuh deui. Teu bina ti korupsi, nu pajah Réfor- masi téh seja meresihan aparat korup, hih kénéh- kénéh kéhéd ningan, ko- ruptor kalah beuki nga leuya. Nya ngapruk deui dunya peteng da ningan kasempetan keur kikituan gé nonggérak deui. Jaman Réformasi nu daragang inuman keras kungsi di- ubrak-abrik ku nu maraké sorban, pada nyeceléh, nya répéh. Kadieunakeun miras nerekab deui, malah aya sesebutan pésta miras, teu kalis weureu arak, hayang leuwih apdol meureun dio- plos jeung naon ku hanteu. Puguh wé lauk keur Si Munggah mah. Jleg deui wé préman, batan babalik pikir kalah euweuh kagi- mir, batan kapok kalah gawok. Nu digangguna lain baé urang luar, siga puras- peres, kulawargana gé di- pajeg. Puguh deui ngadon dahar jeung héés mah. Peuting kamari, janari leutik, saperti sasari Si Munggah balik. Siga bi- asana. sampurasunna téh najong panto bari nyebutan ngaran si bopih. Teuing kumaha peuting kamari mah nu araya di imah asa kasirep jurig tunduh kabina-bina. Kakara harudang sang- geus Si Munggah najong panto sababaraha rintakan. "Sétaaan..na malolor téh?" Si Munggah ngawak- wak. Napsu ngagidir, tina sungutna meledos sésa urut mabok. Torojol ba- pana, karék gé hol nu keur lulungu téh dipapagkeun tonjok. Jekuk, jurahroh. Koréjat Duloh maksa- keun hudang bari nahan kanyeri. "Na siah téh Munggah? Durjana kabina-bina?" Duloh dak dumadak boga kawani. Pudingding napsu. Teu ngabibisani, aya kénéh sésa jawara jaman keur ngora. "Goblog!" Si Munggah geus teu boga wiwaha. Der galungan antara anak jeung bapa, ti jero imah ngagésér ka buruan. Najan ruruntuk jawara gé geus umuran mah teu burung kasoran. Nénjo kitu, Si Opay jeung Si Didit nu ti tatadi olohok mata simeuteun baning baluas, sakilat duanana maju jurit ngaraponan lanceukna nu geus kausap . Si Munggah pada nga- hanca, saréréa geus kaleun- gitan kadali, tali pameung keut duduluran ngajem- prung, hayang pada-pada unggul. Ceg Duloh kana batu sagedé hulu domba paragi manéhna moyan. Teu antaparah deui, gejrot dipeupeuhkeun kana sirah Si Munggah. Kocéak.... "Ampun Pa, ampun Pa, ampuun....!" Na remeng- remeng peuting Si Mung- gah minangsaraya, kakara lilir tina impian euwah-eu- wahna. Tapi....Duloh geus kale- ungitan rasa nyaah, dur- jana modél Si Munggah kudu dipérénan. Titis tulis ciri wanci, baheula Si Munggah gubrag ka dunya poéan munggah, ayeuna gé mulang na poéan mung- gah. Gujrud salelembur aya kajadian rajapati antara anak jeung bapa. Harita kénéh gé pulisi --sabada meunang laporan ti masarakat-- nyangkalak nu tiluan, Duloh, Si Opay jeung Si Didit terus dibawa ka kantor polsék, blus ka kamar tahanan, ngadagoan dijagragkeun ka pangadi- lan. Gebeg, Duloh lilir tina lamunanana. Rét ka dua budak lalaki nu taya lian Si Opay jeung Si Didit, teup deui kana lalangit, bréh Si Munggah nu keur ceurik ngagukguk ménta ampun. "Munggah, munggah in- saalloh énjing cios saum. Mangga geura beberesih," geus kadéngé deui béwara munggah ti masjid wuwuh matak ngagerihan batin Duloh. "Munggah? Puasa? Ya Alloh, kanggo naon atuh paruasa ari gogoda hirup pada ngantep baé?" geren- deng batin Duloh siga nu ngarasula kana kaayaan rinéka jaman. Berebey cimatana nga- banjiran kumis, terus kana janggotna.***

×