Successfully reported this slideshow.
We use your LinkedIn profile and activity data to personalize ads and to show you more relevant ads. You can change your ad preferences anytime.

Mangle 2449

5,037 views

Published on

  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

Mangle 2449

  1. 1. Mahing Milih Lain Piliheun M ilih kari prakna. Moal susah lantaran piliheun geus sadia. Tapi, mun salah milih, hartina gé nu dipilih téh lain piliheun. Mun kajadianana kitu, pilihan téh, lain waé mubah, tapi bisa jadi ngarugikeun. Dina pilihan pamingpin, loba nu ilubiung. Saperti dina pilihan legisilatif, apan nu ‘kabaud’ kana éta kagiatan téh, panitia Komisi Pemilihan Umum (KPU), nu dipilh, jeung nu milih. Masing-masing pihak milu andil dina suksésna pilihan. Satutas nyumponan pasaratan, panitia mah kari masrahkun ka nu rék milih. Di dinya, masing-masing pribadi boga kahayang ogé tanggung jawab. Ragragna pilihan, di antarana, bakal gumantung kana kahayang jeung tinimbangan pribadi nu sipatna subjektip pisan. Lebah dinya, taya salahna, milih mah memang hak masing-masing. Mun ‘ngised’ tina kapentingan pribadi, tumalina gé jeung tanggung jawab. Ukuranana, bisa dumasar kana kapentingan nu leuwih lega, batan ukur kapentingan pribadi. Urusan mangpaat saharitaeun bisa ditakis ku kapentingan dangka panjang. Di dinya, milih téh lain lantaran kapentingan pribadi tapi demi balaréa. Bulé hideungna hasil pilihan, kacida gumantungna ka nu milih. Putusan sapinuhna aya dina masing-masing nu boga hak pilih. Mun salila ieu rahayat miharep pamingpin nu nyaah ka rahayat, hartina dina ‘pakalangan’ pilihan umum mah, rahayat sorangan nu kudu mikanyaah dirina. Atuh, dina milih gé, kudu keur kapentingan rahayat sakumna, lain ukur sadirieun. Mitra, tumali sareng pilihan legislatif, dina nomer ieu Mangle ngolongan pamanggih Dr. Ikin Sodikin, M.Si., Doktor Ilmu Administrasi Negara nu ogé dosén Pascasarjana Unpas. Obrolan sual pilihan pamingpin, dipalar nambahan luang dina nantukeun putusan mangsana pilihan umum. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 20 Bisma Perlaya 5 TAMU Ti saprak ningali Srikandi mucunghul ogé Bisma geus teu puguh rasa. Asa jararauh panineungan. Paciweuhna nu keur perang campuh geus teu lucu deui keur manéhna mah. “Geus nepi kana titis tulisna. Nyawa aing semet ka poé ieu,” kitu gerentesna. Lain gimir ku musuh. Da ongkoh teu boga musuh. Pan nu diperangan téh..... Dr. Ikin Sodikin, M.Si.; Urang Sunda, Kudu Nyoara di Tempatna KOLOM Lina Wijsman jeung Si Kabayan Atép Kurnia ........................................ 8 SAJAK Cidra Rinrin Candraresmi .......................... 9 Haleuang Hiji Lalaki Kahlil Gibran ................................. 41 Potret : Reisyan PURIDING PURINGKAK Nu Ngajak Nyakeudeung di Tegalheureut Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24 Bisma Perlaya Maman ............................................... 22 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Rumaja .................................. 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 BAHASAN CARITA NYAMBUNG Budi Rahayu Tamsyah Ngalanglang Alam Rusdi Jeung Misnem (2) ......................................................... 42 CARITA PONDOK Péso Komando Sanjani ............................................ 18 Nu Ceurik Luhur Gunung Mamay Noer ..................................... 20 Carita Sarebu Samalem (180) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (18) M.A. Salmun ............................................................. 12 Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (2) HD. Bastaman ............................................................. 48
  3. 3. Sataun Deui B ulan Oktober taun hareup urang bakal ganti presidén. Yudhoyono geus dua rintakan, moal bisa maju deui da kitu ceuk konstitusina. Ayeuna gé geus tatahar ngayakeun konvénsi, milih saha kira-kirana nu bakal dicalonkeun ku Partéy Démokrat dina taun 2014. Pangna diayakeun konvénsi téh lantaran taya saurang gé kader PD anu bisa dipercaya pikeun ngandidat. Nu matak nya diakalan. Dina konvénsi nu maraju téh lain ngan ukur kader partéyna, tapi ogé anu saméméhna aya di luareunana. Teu boga kader anu pantes pikeun dicalonkeun sina jadi presidén téh lain kaalaman ngan ku PD wungkul. Parpol nu séjén gé méh sanasib. Amien Rais anu marajian ngadegna PAN dina mangsamangsa awal réformasi kungsi mani siga anu yakin nyalonkeun Hatta Rajasa. Tapi kadieunakeun ngolémbar deui. Ngan Golkar anu nepi ka ayeuna keukeuh arék nyalonkeun ketua umumna Aburizal Bakrie. Papadaning kitu tacan bisa mulus lantaran ti kalangan parpolna sorangan loba anu cangcaya. Naha bener Ical bakal bisa meunang? Puguh wé ahirna mah jadi ironi. Ongkoh nu ngaradegkeun parpol téh terus waé kokotak hayang unggul dina pemilu. Tapi maranéhna sorangan poho ngadidik kaderna kalawan bener. Lamun di nagara batur geus éstafétna, di urang mah henteu kitu. Duka ku naon, sigana Manglé 2449 harayang jeneng manéhna baé, bari henteu méré kasempetan ka nu séjén. Sanajan kungsi nyalonkeun saméméhna tur kabuktian gagal teu diparilih ku rayat, keukeuh wé hayang maraju deui. Keun ku lebah susugananana. Ngan éta lebah percaya yén dirina bakal dipilih ku rayat, najan dina buktina henteu, anu matak hélok téh. Percaya dirina meureun anu kaleuleuwihi téh. Nepi ka teu ngukur ka kujur. Jeung teu percaya ka nu séjén deuih. Tuntungna, unggal nyanghareupan pemilu, boh keur milih presidén boh keur milih anggota parlemén, teu weléh loba dongéngna. Aya waé anu picacapékeunana téh. Saperti nu keur kajadian ayeuna, apan mani sakitu sahéngna riributan ngeunaan jumlah anu bakal milih taun hareup téh. Tadina soal éta téh bakal diumumkeun ku KPU minggu tukang. Tapi dina daftarna téh cenah loba kénéh nu teu bener. Tur jumlahna lain saeutik-saeutik. Tungtungna KPU ngéléhan méré ombér dua minggu deui. Naha bener bakal bérés dina waktu nu sakitu samporétna? Loba anu cangcaya. Malah geus loba anu usul sangkan pemilu dipundurkeun. Tétéla anu pajar sanggup ngurus nagara téh dina buktina mah henteu kitu. Dinaa data nu boga hak pikeun milih téa apan euweuh nu daék ngaku saha nu salahna. KPU jeung Mentri Dalam Negeri hayoh wé silih tuding. Boa-boa dina ngitung jum- lah penduduk gé loba kérokna. Mangkaning cenah nu aya di urang ayeuna téh leuwih ti 50 juta jiwa umurna antara 17-39 taun. Hartina keur meujeuhna produktif. Kuduna nya maranéhna anu bakal bisa nangtukeun saha-sahana nu pantes mingpin nagara lima taun ka hareup téh. Mun ngabandungan galagatna ayeuna, teu mustahil maranéhna bakal moal daék datang ka tempat nyoblos. Lebar temenan lamun nu hak boga sora kalah jadi mubah. Ngan sigana dina nyanghareupan urusan nu saperti kitu tacan aya anu daék nyanghareupan kalawan bener. Kumaha carana sangkan pulitik di urang bisa jalan kalawan lumrahna baé. teu kudu loba omong tapi lungsur-langsar. Mun gunta-gantina kakawasaan ceuk konstitusi ditetepkeun lima taun sakali, nya atuh sina kitu wé. Mun kudu eureun tina kakawasaan teu kudu leutik haté, da ceuk aturaana kudu kitu. Yudhoyono téh Presidén Indonésia munggaran anu langsung dipilih ku rayat. Éta téh kuduna mah geus jadi pamiangan anu hadé. Nu ngaranna pamaréntahan démokratis geus diperenahkeun din erél anu samistina. Ngan hanjakal maké terus dibungbuan. Ngung-ngong sora-sora anu hayang ngusulkeun Ibu Ani sina ngandidat. Leuwihna ti éta Édi Baskhoro gé disebut-sebut. Kitu deui Pramono Edhie. Naha nya bet kitu dina lebah madakeunana? AM 3
  4. 4. Sipat Siliélédan, Kamanakeun? Sampurasun! Bangsa Indonesia nu soméah hadé ka sémah, nu silihélédan, ngaluhurkeun siliharegaan, jigana méh sirna, kaléléd ku harakna hubuddunya. Balukarna pasipatan urang jiga nu leungit komara. Kasaksén pisan dina sagala widang. Dina widang politik mah geus karuhan, geus patulayah jalma-jalma nu tiap poé salin rupa jeung sipatna. Da, cenah ari dina politik mah, lamun teu licik moal genah. Beu! Meureunan jalma nu cicing dina politik, boa-boa jujur jeung amanah téh geus jadi musuh dirina. Upama bangsa geus kitu, ulah salah nu karieu téh bakal mawa pirus kana widang-widang séjénna. Ayeuna kasaksén aya béja nu leuwih parna, cenah pangmaceuhna nu ngalakukeun korupsi, nyaéta jalma-jalma nu cenah harayang ngurus agama di Departemen Agama. Ieu tangtu bahla! Rék kamana atuh bangsa urang diurusna. Pamaréntah deui nu disebut PNS, keur geunjleung, cenah raresep korupsi. Malah PNS ngora ogé, loba teu euleum-euleum némbongkeun pakayana, améh arapal ‘uing pangbeungharna’. Teu sadar maranéhna geus dipatok panghasilanana. PNS nu sasatna mung saukur ladén masarakat, geus tibalik hayang jadi juragan. Nya antukna baroga sipat kumawasa. Saha nu 4 salah lamun geus panyakit ieu narajang ka unggal jalma? Aya deui keur di dunya hiburan sepakbola. Bangsa urang deui-deui némbongkeun sipat embung siliélédan, embung siliharegaan. Nu aya silijongklokeun, silisalahkeun, ahirna masarakat moal deui paduli kana omongan pamingpin. Dualisme nu ngayakeun sepakbola di urang, hiji bukti, pamingpin resep ngaragragkeun urusan ahlak. Sakitu waé surat ti simkuring, mudah-mudahan hiji waktu tiasa disambung deui. Wassalam, Bah Somad Ti Sumedang Naha Resep Ngulinkeun Hukum? Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun! Ti payun ngahaturkeun rewu nuhun ka Ais Pangampih Manglé ku tiasa dimuatna ieu serat. Hapunten bilih dina basana kirang merenah, ma’lum sakantenan diajar nyerat dina basa Sunda. Sok sanajan sim kuring linggih di pakidulan Ciamis. Tapi duka kumaha, geuning ari nyarios ku basa Sunda sakumaha basa-basa dina Manglé mah éta téh rada sesah. Nyi Manglé, ngaban- dungan pajamanan kiwari nu sarwa babari milarian informasi, tapi geuning dalah milari jalmi nu sugih mukti tur wani ngajak kana bebeneran luyu sareng agami, asana mah rada sesat éta téh. Teu terang nu jadi balukarna mah. Ngan, sim kuring sok ngabandungan dina média, seueur pisan wargi-wargi urang nu sok silih dedetkeun, silih merekedeweng, jauh tina silih élédan. Sok komo pami ngabandungan masalah-masalah nu aya patula-patalina sareng hukum, kayaning korupsi. Jajauhan ari kana deukeut adil mah, atuh kana ningalikan cara nu wijaksana atawa silihhormat ogé asana jauh pisan. Cek Simkuring mah, asa percaya teu percaya. Maenya lembaga nu pangeusi nagarana sakieu palinterna, nu sakieu dasarna Pancasila, bet gampang kadatangan jalma-jalma nu resep ngulinkeun hukum! Asana ieu nu jadi kahariwang urang. Lamun téa mah, urang boga udagan bangsa nu beradab, nagara nu bébas tina korupsi, buktina mah kalah mahabu. Jigana ruparupa alatanana mah loba. Ngan Simkuring mah, keukeuh neueul kana urusan pasipatan jalmi nu hubuddunya. Jalmi ningal dunya éta téh teu aya béda jeung ningal kabagjaan. Padahal cek Simkuring mah, ari ukuran kabagjaan mah lain ukuran karana dunyana, tapi karana jembar haténa. Ku kituna, bangsa urang ogé kedah saladar, kedah intropéksi. Jalma nu beunghar cek ukuran dunyana, ogé sadar, yén dunyana pasti moal kabawa ka ahérat. Rupina ieu nu janten kahariwang Simkuring sareng mungkin kanca mitra sadayana. Mahabuna ahlak generasi muda nu teu uni jeung kabiasaan urang resep ninggalkeun ibadah, sawadina kudu jadi momen hijrah. Generasi ngora balukar kabawa pangaruh madarat tina informasi, kudu jadi panalinga pamaréntah jeung para orang tua. Sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan surat ieu aya mangpaatna. Wassalam, Rukoyah Ciamis Kuduna Babari Nyi Manglé, cenah bangsa urang mah, bangsa nu panghesena nanjeurkeun kaadilan. Duka kumaha eta teh. Padahal kurang kumaha, nu palinter teh loba. Dina sabulan oge cenah deuih, rebuan sarjana S1, S2, S3 diwisuda. Hartina, kuduna mah beuki dieu teh kudu beuki babari. Tapi geuning dina buktina mah kana beuki harese. Kudu kumaha atuh pamarentah? Mangga nyanggakeun ka nu palinter sing mikiran, pola-na jeung polahna. Nuhun. Baktos Bu Ida Darangdan Purwakarta Manglé 2449
  5. 5. Dr. Ikin Sodikin, M.Si.; Urang Sunda Kudu Nyoara di Tempatna Sunda kudu lébér wawanén. Wani ngagorowok, mampuh nepikeun karep jeung kahayang N masarakat sabudeureunana. Kitu di antarana jejer wangkongan Mangle jeung Dr. Ikin Sodikin, M.Si., Dosen FISIP Universitas Pasundan (Unpas) Bandung, basa tepung waktu ka tukang. *** sawatara u jadi wawakil rahayat, kudu mampuh nyoarakeun kereteg haté masarakat. Atuh, kitu deui urang Sunda nu ngawakilan masarakat Jawa Barat di Senayan, kudu ludeung nepikeun angen-angen masarakat. “Kudu wani ngagorowok,” pokna tandes naker. Tapi, cenah, nyorakeun kereteg haté masarakat téh, kudu di tempatna. “Nu jadi wawakil rahayat kudu wani ngedalkeun sora ngoncrang di parlemén,” ceuk Ikin Sodikin, ngantebkeun jejer obrolan. biasa ngantor kénéh wanci kitu gé, tumali jeung pancén gawéna, ngaping mahasiswa nu keur tolab élmu di éta kampus. Ngawangkong téh di Kampus FISIP Unpas, Jalan Lengkong Besar, Bandung. Ngobrol pabeubeurang wanci asar, da ieu dosen Fisip Unpas teh Urang Upama nyaksian rahayat hirup walurat, saha nu salah? Tangtu wé, aya pihak nu samistina tanggung jawab. Lantaran, cenah, poténsi bangsa mah teu kurang-kurang. “Tapi, naha keur nyumponan pangabutuh sapopoé gé seuseut naker?” pokna semu nanya. Miang tina Bayeungyang Nyaksian kaayaan rahayat kiwari, ceuk Dr. Ikin Sodikin, M.Si., dirina ngarasa hareudang tur bayeungyang. Kitu téh harepan patukang-tonggong jeung nu samistina. “Teu pantes bangsa urang miskin mun lain salah urus mah,” pokna semu hanjelu. Upama nyusud akar pasualanana, keur nu wanoh Manglé 2449 5
  6. 6. kana tata cara ngurus ngatur nagara mah, moal hésé ‘maledogkeun’ tudingan. Eces cenah, nu ngurus ngatur nagara téh pamaréntah, dina hal ieu eksekutif. “Tah, upama rahayat teu hirup jeung huripna, hartina garapan gawé pamaréntah téh tacan keuna kana sasaran,” ceuk ieu urang Cimahi Bandung téh. Tangtu, cenah, dirina gé, teu sagemblengna nyalahkeun pamarentah, lantaran lian ti éksékutif, nu bisa ngurus ngatur nagara téh aya wawakil rahayat atawa législatif téa. Tah, kumaha atuh ketak arinyana téh? Ceuk Dr. Ikin Sodikin mah, perelu dibebenah deui. Nyorakeun kahayang masarakat Pancén législatif, jinek naker. Eces aya réngkolna dina undangundang. Atuh, samistina sagala rupa garapan gawé wawakil rahayat kudu bener-bener keur kapentingan nu diwakilanana. Upama nyieun undang-undang gé kudu bener-bener éta téh keur kapentingan rahayat, lain kapentingan séjén tawa direwong ku kapentingan séjén. Kitu deui, dina sual nangtukeun anggaran, apan kudu bener-bener keur karaharjaan masarakat. Dr. Ikin Sodikin sareng Ketua Umum PKB Lian ti éta, pihak nu mancen gawe di pamaréntahan gé kudu bener-bener ngalaksanakeunana. Bisana kitu, upama pihak nu ngalaksanakeun pangawasan bener-bener tigin kana pancénna! Nyaksian nu karandapan ku masarakat, ieu dosén Pasca Sarja na Fisip Unpas téh kacida hareudangna. Malah, ahirna, boga karep ancrub makalangan dina pilihan umum législatif. “Nyuhunkeun widi ka warga Kota Bandung sareng Cimahi, sim ku ring seja ngadugikeun angenangen warga masarakat ku cara ngiring di légsilatif,” ceuk ieu caleg DPR RI ti PKB téh. Nguatan hak konstitusi rahayat 6 Manglé 2449
  7. 7. Upama Dr. Ikin Sodikin, M.Si boga karep makalangn di tingkat nasional, mémang éta médan téh, keur dirina mah ‘manukna’. Apan, sapopoéna gé nebarkeun pangaweruh nu tumali jeung urusan nagara. Nilik ka dinya, mémang ieu Doktor Lulusan Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh, boga bekel, boga luang jeung pangalaman. Apan, lian ti aktip dina rupa-rupa organisasi, kungsi deuih jadi Ketua Komisi Pemilihan Umum Kota Cimahi. Inyana boga anggapan, nu kapilih jadi anggota législatif, teu cukup ku boga kamampuhan jeung meunang kapercayaan masarakat. Da, nu leuwih penting mah, éta kapercayaan téh, misti bener-bener keur kamaslahatan rahayat. Nu jadi wawakil rahayat, kudu tigin kana patékadanana, geusan jadi panyambung létah masarakat. Lain ukur mampuh nyorakeun, tapi deuih kudu peurahan, sarta digugu ku nu boga kakawasaan ngurus ngatur masarakat. Ieu akademisi teureuh Ciamis téh mapandékeun wawakil rahayat lir tukang buburuh macul. Inyana téh buburuh macul ka dunungan. Tapi, waktuna macul, bet leuwih ngaheulakeun ngala belut jeung sagala rupa nu bisa diala di sawah. Poho wéh yén nu dipacul téh kudu ditandur, kudu kapetik hasilna kaala buahna, bisa dipanén dina waktuna. “Hartina, nu macul kawas kitu mah, ukur mentingkeun pribadina,” pokna tandes naker. Upama wawakil rahayat poho kana pancén nu pokona, bisa jadi lantaran dihaja sina ‘resep’ ngumpulkeun hasil keur kapentingan pribadina. Mémang, cenah, bisa jadi pangasilan ‘tambahan’ téh légal, sah ceuk aturan, lantaran geus disapukan ku nu boga wewenang. “Sakedahna, ukuranna sanés sah sareng henteuna, tapi maslahat atawa henteu kaggo masarakat,” pokna. Kahareudangna ngabandungan Manglé 2449 kaayaan, asa aya jalan komo meuntas, da aya nu ngahiap-hiap, sababaraha partey pulitik sangkan inyana jadi calon législatif. Antukna, inyana gé ditempatkeun di dapil (daerah pilihan) Kota Bandung jeung Cimahi. rahayat, lain ngageringan pikir masarakat. “Loba rahayat nu bingung, teu apal pipetaeun! Padahal, arinyana téh nu boga ieu nagara!” pokna semu hanjelu. Eta dua kota, ceuk tilikan ieu Ketua Prodi Ilmu Administrasi Negara Fisip Unpas mah, lir étalase Jawa Barat. Hartina, mistina némbongkeun rupa-rupa kapunjulan éta daérah. Ngan, nya kitu, cenah, dina kanyataanana mah, loba kénéh nu misti dibebenah. Kota Bandung jeung Cimahi, masih kénéh nyanghareupan rupa-rupa pasualan saperti ngaleuyahna padumuk, caah, padumukan keumeuh, patalimarga pajurawet, jeung sajabana. Geusan ngungkulan pasualan kawas kitu, ceuk pikir ieu dosén mah teu cukup ngandelkeun kamampuhan daérah nu kawatesanan. “Kedah kénging pangrojong daria ti pamaréntah pusat kalebet ti para anggota DPR RI,” pokna. Upama Dr. Ikin Sadokin, M.Si., ludeung makalangan di tingkat nasio nal, da mémang boga bekel. Dina sual pangaweruh mah, ancrub na kana widang pulitik kawas kitu téh, pas jeung lelembutanana. Makalangan dina widang akademik mah, lain ukur di kampusna, da puguh ngaléngkah jauh ti ‘lemburna’. Apan, dina sual mekarkeun élmu administrasi negara gé, ieu akademisi kalahiran taun 1960 téh, milu marajian medalna Asosiasi Ilmu Adminsitrasi Negara. Dr. Ikin Sodikin, M.Si., mémang paham pisan mun kalungguhan anggota déwan di puseur nagara téh penting pisan. Kitu téa mah, da mémang kitu wewenang jeung pancén gawéna. Parawakil rahayat nu boga wewenang pulitik, bisa ngararacang jeung nangtukeun maju mundurna nagara. “Malah, bisa nangtukeun maju jeung ancurna ieu nagara!” pokna sumanget naker. Ku lantaran kitu, didadasaran ku kahariwang jeung harepan enyay-enya cahaya mangsa nu bakal datang, inyana ngabuleudkeun tékad, ilubiung nyumbangkeun kamampuhanana di parlemén. Pokna teh, inyana ludeung nyalonkeun diri, lain kabawa palid ku cileuncang, lain kabawa ku sakaba-kaba. “Warga masarakat wajib meunang panyalidungan ogé ngarasakeun karaharjaan,” pokna. Pancén nagara, minterkeun rahayatna, lain ngabodokeun jeung ngainabobo masarakat; nyéhatkeun Kari Prakna Kamampuhan dina widang pulitik ogé kaasah ku lantaran icikibung dina rupa-rupa organisasi. Atuh, ieu Pingpinan Redaksi Suara Rakyat Reformasi téh, aktif deuih dina rupa-rupa organisasi. Inyana gé kapeto jadi Sekretaris Asosiasi Ilmu Politik (AIPI) Jawa Barat (1994-1998), Sekjen Lembaga Sertifikasi Profesi, Pangurus Paguyuban Pasundan Cabang Cimahi, ogé kungsi jadi Ketua KPU Kota Cimahi dua rintakan. Dr. Ikin Sodikin, M.Si., loba balad. Nya ku lantaran kitu, dina ngalaksanakeun pancén gawé, kaasup saperti waktu jadi Ketua KPU, dina ngalaksanakeun pilihan umum jeung pilihan kepala daérah di Cimahi, teu weleh lungsur langsar, sarta meunang pangrojong masarakat. Angen-angenna, basajan. Mulang keun kakawasaan ka nu hakna. Rahayat téh nu boga kadaulatan, nu samistina meunang hak-hak nu luyu jeung undang-undang. ”Mulangkeun hak konstitusional rahayat, kari prakna. Aya pakeunna deuih. Kari miharep ketak para wawakil rahayatna,” pokna pinuh ku pangharepan.*** (Tim Mangle) 7
  8. 8. Lina Wijsman jeung Si Kabayan Ku Atép Kurnia D ina bulan Désémber 2008 medal Si Kabayan: cerita lucu di Indonesia terutama di tanah Sunda. Pamedalna PT. Pustaka Jaya gawé bareng jeung lembaga ilmiah Walanda, Koninlijk Instituut voor Taal-, Land- en Volkenkunde (KITLV-Jakarta). Ieu buku aslina mah dina basa Walanda. Judulna, Uilespiegel verhalen in Indonesie: in het Bizonder in de Soendalande. Nu nulisna Lina Maria CosterWijsman. Asalna tina disertasi nu dipertahankeun ku manéhna di Universitas Léiden, Walanda dina poé Jum’aah jam 4 soré, 7 Juni 1929. Disertasina tuluy dibukukeun taun éta kénéh. Pamedalna Santpoort: Mees. Kandelna 170 kaca. Tina buku édisi Indonésiana nu kandelna 252 kaca beunang narjamahkeun Koesalah Soebagyo Toer, aya sawatara hal anu bisa jadi narik mun ditulis. Kahiji, aya patalina jeung nu nyusunna. Kadua, asal-muasal carita nu dipaké minangka bahan disertasi téa. Katilu ngeunaan eusining carita Si Kabayan nu ditalungtikna. Perkara kahiji, rada hésé ngungkabna. Lantaran dina bukuna gé méh euweuh katerangan saha-sahana ari Lina Maria Coster-Wijsman téh. Pikeun ngungkabna, kuring satapa-tapana néangan informasina. Boh tina buku boh tina sumber séjenna. Nu bisa kakumpulkeun antarana kieu. Lina téh lahir di Léiden dina taun 1890. Anak cikal ti dua sadulur. Bapana Hendrik Paulus Wijsman (1873-1916). Indungna Gijsberta Maria van Oosterwijk (1873-1937). Adina Eline Wijsman (l. 1898). Dina 26 Pébruari 1919, Lina kawin ka Dirk Coster (1889-1950), fisikawan Walanda nu milu manggihan unsur Hafnium (Hf) dina taun 1923. Buah rumah tanggana boga budak lalaki dua jeung dua budak awéwé (Hendrik, Ada, Éls, jeung Hérman). Sedengkeun perkara kadua bisa diilikan tina bab-bab bukuna. Aya opat bab kabéhanana mah. Bab I: Daftar Isi dan Catatan; Bab II: Teks; Bab III: Masyhudulhak; dan Bab IV: Abu Nawas. Dina Bab I, Lina nyatet jeung nyingget 134 dongéng Si Kabayan nu dikumpulkeun Snouck Hurgronje (1857-1936). Ditambah sabagian leutikna ti RA. Kern, jeung 8 ti R. Satjadibrata. Dina Bab II, Maria ngamuat 80 téks basa Sunda nu eusina dongéng Si Kabayan. Tah geuning kapanggih sumbersumber asalna téh. Ngaran Snouck sakitu gedé jasana dina ngagelarkeun disertasi Lina. Geuning sakitu réa éta oriéntalis Walanda ngumpulkeun dongéng Si Kabayan téh. Lebah dinya mah urang bisa ngilikan riwayat Snouck ngumpulkeun folklor ti Tatar Sunda. Antara taun 1889-1891, babarengan jeung Haji Hasan Mustapa (1852-1930), panghulu besar Bandung jeung nu geus dipiwanoh di Mekah ti mimiti 1885, Snouck ngayakeun panalungtikan sabudeureun kahirupan urang Islam jeung folklor nu aya di Pulo Jawa. Mimitina indit ka Sukabumi. Tuluy Bandung, Garut, Calincing, Cirebon, jsté (Snouck Hurgronje dan Islam, 1989: 205-206). Tina éta lalampahan jeung bisa jadi katambahan ku kekempilan séjénna, Snouck, antarana bisa ngumpulkeun dongéng-dongéng Si Kabayan. Jumlahna teu bisa disebut saeutik. Da éta wé tina titinggalna di Perpustakaan Universitas Leiden, Édi S. Ékadjati, dkk (Naskah Sunda, 1988) kungsi ngarinci. Geura nya wincikanana téh: Kumpulan Cerita (LOr.7667); Dongeng Kabayan (LOr. 7676); Dongeng-Dongeng Kabayan (LOr. 7691); jeung Cerita Kabayan (LOr. 7694). Tina hasil kukumpul Snouck, Paul Hambruch ngasupkeun dongéngdongéng Si Kabayan kana bukuna, Malaiische Märchen: Aus Madagaskar und Insulinde (1927). Atuh taun 1929 sidik dipaké disertasi Lina. Bari ku éta panalungtikan téh manéhna dianggap minangka wanoja munggaran nu meunang gelar doktor dina widang foklor ti Universitas Leiden. Perkara katilu aya kakaitanana jeung eusining carita Si Kabayan. Si Kabayan mémang kawentar jalma panglucuna saTatar Sunda. Ngan, tina sajumlahing carita Si Kabayan nu ditalungtik ku Lina Wijsman téh sihoréng aya dongéngdongéng nu nyabit-nyabit sisi séksualitas Si Kabayan. Dina Bab I, aya 42 tingkesan nu di jerona ngandung sisi-sisi séksualitas Si Kabayan. Ari dina Bab II, dimuat- keun 33 téks nu aya kakaitanana jeung séksualitas Si Kabayan. Naon jeung kumaha séksualitas carita Si Kabayan téh? Bisa jadi jang ngajawabna, urang bisa ngandelkeun tulisan Ayatrohaédi (1939-2006), “Si Kabayan: Cawokah atau Jorang?” nu dimuat dina buku Seks, Teks, Konteks: Tubuh dan Seksualitas dalam Wacana Lokal dan Global (2004: 121-140). Cék Ayat mah, dongéng-dongéng Si Kabayan téh kaasup cawokah tapi teu jorang. Hal ieu bisa kaharti mun seug tékstéks dongéngna dipakaitkeun jeung kontéks nu ngagelarkeunna. Sakumaha nu dicaritakeun di luhur, dongéng Si Kabayan dina disertasi Lina téh asalna ti wewengkon Banten Kidul. Ieu wewengkon téh cék Mang Ayat mah, “merupakan daerah yang sama sekali tidak pernah terkena pengaruh baik peradaban maupun kebudayaan Jawa yang antara lain membawa “kehalusan budi” dalam wujud bahasa.” “Kehalusan budi bahasa” ngandung harti ayana undak-usuk basa atawa lemes-kasarna basa Sunda nu kapangaruhan budaya Jawa. Tah, lebah masarakat Banten Kidul, cék Ayat, “Hampir tidak adanya kata-kata lemes ‘halus’. Jika pun ada di antara mereka yang mengenal kata halus demikian, hampir dapat dipastikan pengetahuan itu mereka peroleh melalui lembaga sekolah atau karena bersentuh bahasa dengan penutur bahasa dari dan di tempat lain.” Ku kituna cenah, “Di lingkungan masyarakat Banten Selatan yang masih ‘polos’ seperti itu, pelisanan kata yang bagi masyarakat lain diupayakan dibalibirkeun dengan demikian tidak diperlukan.” Ku sakitu gé, sigana, lumayan rada caang ngeunaan hubungan Lina Wijsman jeung Si Kabayan téh. Horéng teu kabéh dongéng Si Kabayan téh teu malulu kesanna lucu. Ti Lina, antarana, urang meunang gambaran séjén yén Si Kabayan gé aya patalina jeung tarékah ngaéksplorasi sisi séksulitasna. *) Penulis lepas. Nganjrek di Cibiru, Bandung. Manglé 2449
  9. 9. Rinrin Candraresmi Cidra demi wanci urang sumpah seja nyaah bari teu reureuh teu reureuh nugar lemah tugar! tugar! asak burahay seuseukeut bor ngambeu dolar beuki jero beuki moho beuki lampar beuki lapar ngagorowong torowongan nyao di mana tungtungna beurang peuting anggeus-anggeusan meureut sarina demi laksmi urang ngentreung galeuh tineung bari teu reureuh teu reureuh ngabukbak leuweung bukbak! bukbak! nu ranggéténg nu nyanggéréng diarah pitapak harak rupaning jangjang gumeleber kumeleper balai nyampak saréwu akar dikubur umur nerus pundung narah sirungan simagonggong si gerot kahot sirna sima sarénghapan pisan demi anu pandeuri urang riksa rasa tresna bari teu reureuh teu reureuh ngeduk sagara keduk! keduk! cai pasang cai surut awor angin celuk-celuk lagu buhun dina riak dina lambak wuwuh sumegruk nu kumelip di jerona sakotéap korédas kabatu-batuna tapak kelar tapak kelir bati lilir kari séah jeung budahna (bandung, awal pebruari 2004) Rinrin Candraresmi, salian resep diajar nulis (sajak, carpon, naskah drama) ogé aktip di dunya téater. Salila neuleuman seni peran, kacatet, kungsi ngarojong pagelaran pikeun sawatara pakumpulan seni, pangpangna nu aya di Bandung, diantarana Caraka Sundanologi, Teater Sunda Kiwari, Studiklub Teater Bandung, Laskar Panggung Bandung, Teater Senapati, Teater Bel, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, Komunitas Empat Perempuan, Actors Unlimited, NEO Theatre (Exploring New Paradigms), Samba Sunda, jlté. Mindeng dipénta maca sajak jeung jadi juri sajak dina sawatara kasempetan. Manglé 2449 9
  10. 10. Bagian 180 Peuting ka-208 Kacaturkeun deui Putri Budur, tangtu kagét kacida. Cikénéh apan salakina téh aya gigireunana, tapi basa lilir, teu kasampak, teuing ka mana. Nu matak kagét téh deuih, waktu ngarampa permata téa, bét geus euweuh. Harita kénéh, putri ngoréjat, terus tumpa-tempo ka sabudeureunana. Lebeng! Aya pikiran rék nananyakeun ka nu séjén. Tapi, haténa murengked. Lantaran ceuk pikirna, mun nepi ka kanyahoan Komarujaman ninggalkeun éta tempat atawa leungit, tangtu baris mawa mamala. Sajongjongan éta putri ngahuleng. Mikir jeung ngira-ngira naon nu cikénéh karandapan. Mémang, aya sangkaan, 10 nu boga kalakuan kitu téh salakina. Ngan, dibantah deui ku pipikiran séjénna, boa teuing aya pihak séjén nu maling éta permata, sarta kanyahoan ku Komarujaman nepi ka ngabeledig bangsat téa. Ras deui putri téh kana pipikiran séjén. Mun enya téa mah, salakina ninggalkeun éta tempat heug kanyahoan ku nu séjén, tangtu wé bakal ngabarubahkeun, boa bakal aya kajadian nu teu dipiharep. Enya ogé pangiring téh rahayatna, tapi apan bisa waé mun nyahoeun pamingpinna leungit, meureun nu dipingpinna gé moal sumanget. Leuheung kétang mun ukur kitu, narajang upama jadi ngunghak, wani ngalakukeun nu teu uni, matak cilaka. Boga sangkaan kitu téh, teu kaleuleuwihan, da rombongan téh apan lolobana mah lalaki, bisa nguntup upama éta rombongan dipingpin ku awéwé mah. Antukna, bisa waé ahirna mah ngijing sila béngkok sembah, teu nurut deui kana paréntah pamingpinna. Leng deui Putri Budur ngahuleng. Mikir dibulak-balik, ahirna nyéh imut. Ceuk pikirna, mending teu betus rusiah ka nu séjén, iwal ti ka jalma-jalma kadeuheus nu bisa dipercaya. Sanggeus gilig, éta putri nyalukan sababaraha urang badégana. Pok wéh nyaritakeun rarancangna geusan kasalametan balaréa. Satutas dirina nyaritakeun salakina ilang tanpa karana, éta putri metakeun tarékah. Carana, Putri Budur rek nyamur jadi Komarujamana. Keur ngalaksanakeun patékadanana, moal hésé, lantaran nilik kana dedegan jeung rurupaanana, sarimbag jeung salakina. Hartina, mun manéhna niru-iru salakina kalayan maké papkéan lalaki, tangtu saréréa gé moal sadar mun éta téh Komarujaman titiron! Réngsé paparéntah, saterusna Putri Budur nitah salah saurang wanoja pangiring sina jadi putri. Eta pangiring téh sina maké papakéan Putri Budur nu cikénéh dipaké ku éta putri téa. Sabada kitu, nu nyaru téh sina nempatan tandu nu asalna dipaké ku Putri Budur. Saterusna, Putri Budur gagancangan dangdan. Maké papakean salakina. Sirahna ditutupan ku sorban. Ku cara kitu, putri téh ngarasa reugeug, sabab moal aya nu wani campelak ka dirina nu ceuk sangkaan batur mah Komarujaman. Sanggeus saged, manéhna ngoréléng ka tukangeun kémah. Muru kuda nu biasa ditungga- Manglé 2449
  11. 11. ngan ku salakina. Taya halangan harungan, kawasna kuda téh apaleun pisan éta téh dununganana kénéh. Clak wéh tumpak kudan, puguh putri masagi, tapis nunggang kuda onta jeung gajah, kitu deui metakeun pakarang, nyamurna jadi lalaki gé perecis pisan, moal gampang katohyan. Rombongan miang. Ngabring saperti saméméhna. Ku cara kitu lalampahanana téh lungsur-langsar nepi ka ahirna anjog ka hiji nagri nu dirajaan ku Armenos. Horéng, urang karajaan gé geus apal, da puguh kitu kabiasaan éta nagara, keur ngajaga kaamanan karajaan téh teu weléh nyebarkeun telik sandi. Jadi, saha waé nu bakal datang, pangpangna mah rombongan, tangtu bakal kanyahoan ku pihak kaamanan nagara nu saterusna ditepikeun ka rajana. Sanggeus apal sahasahana nu baris cunduk ka éta nagri, Raja Armenos téh ngabagéakeun sakumaha mistina ka tatamu nu hormateun. Najan can kungsi tepung, ari kana ngaran Komarujaman putra Raja Syahraman teu bireuk deui. Ku lantaran kitu, tanda hormat ka karajaanana, panyambutan ka Komarujaman gé dibagéakeun langsung ku rajana. Waktu rombongan reureuh di kémah nu aya dina wewengkon tapel wates kota, raja éta nagara cunduk. Harita kénéh sémah jeung pribumi téh, silihbagéakeun. Ahirna, raja ngondang rombongan Manglé 2449 sangkan datang ka istana. Nu disambat nyanggupan. Poe isukna, rombongan miang ka puseur nagri. Teu lila di jalanana gé da deukeut. Rombongan dibageakeun sarta disuguhan ruparupa kaolahan has éta nagri. Dina waktu reureuh Putri Budur nu disangkana Komarujaman, ditempatkeun di rohangan husus. Nya di dinya, raja jeung sémah téh biasa ngobrol saméména. Ngan, ku bisana nyumputkeun semu, panyamaran putri téh teu katohyan. Lungsur-langsarna panyamuran, horéng mawa pasualan. Apan, sanggeus tilu poé sémah aya di lingkungan istana, raja balaka. Cenah, dirina téh geus kacida kolotna. Nilik kana kakayaan taya kakurang, da puguh sarwa nyampak. Emas, duit jeung, harta banda séjénna, moal nguyang ka batur, lantaran éta nagri téh kaasup golongan nu beurat beunghar. Ngan, mungguhing manusa, cenah, taya nu sampurna. Raja gé ngarasa aya nu kurang dina diri jeung di lingkunganana téh. Soalna, nepi ka danget éta, tacan boga pirajaeun, da anakna téh awéwé, Putri Hayati Nufus nu ngan hiji-hijina. Nilik kana rurupaan putri, arang pitandingeunana. Matak teu sing anéh, upama loba nu mileuleuheungkeun keur batur hirup dina rumah tangga téh. Tapi, nya kitu, sakur lalaki nu datang seja ngalamar, tacan aya nu cocog. Ari harita, ningali paroman Komarujaman bet ngadadak haté raja téh léah, hayang mulung minantu nu engkéna sakalian rék dijenengkeun raja. Ngadéngé caritaan raja kitu, Komarujaman mamalihan bingung. Ngan, kapaksa nyumputkeun semu. Lantaran, mun nepi ka katohyan, meureun bakal jadi mamala. Atuh, hartina deuih, manéhna samar bisa tepung deui jeung salakina, da bisabisa nandangan hukuman lantaran geus ngabobodo Raja Armenos. Leng deui mikir, sabalikna, upama manéhna daék ngawin putri raja, tetep wé jadi mamala, da awal ahir gé baris katohyan. Ku lantaran kitu, sajongjongan mah, putri téh ngahuleng. Saterusna, mikir dibulak-balik. Nimbangnimbang untung-rugina. Copelna, nyokot nu pangsaeutikna rasiko, lantaran dua pilihan téh kacida beuratna. Ahirna, Putri Budur milih daék dikawinkeun ka Putri Raja Armenos. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ku M.A. Salmun { 18 } T i sajungna Si Abdullah, nepi ka isukna deui Agan Sari sasatna balik-pepeh. Kawasna anu kitu nu sok disebut keuna ku wisaya téh, leungit pamageuh pikirna, diuk-nangtung teu ngareunah; cicing asa rék tiguling, leumpang asa kumoléang. Buruan asa layuan, kéjo asa catang bobo, cai asa tuak bari téh lain heureuy, lain babasaan, éstu sagala teu ngeunah. Dumadak deui sapeuting éta mah Lilis teu ngendong, atuh Agan Sari téh lir sarah munggah umpalan dibuntang-banting ku arus, nengah-nyisi mumbul-kalem téh teu aya nu geusan pingajaiteun. Ari tep karasa panasna ku Nyi Rapiah, asa enya maru téh mending sina peren kana kotak, tapi bréh kacipta Nyi Rapiah ngalonjor nangkarak baeud, panon celong buuk hangit, awak tiis tanding birit leuwi, gebeg Agan Sari ngarénjag. Ras ka salaki na’ aya lalaki 12 kumpeu kabina-bina teuing, nepi ka beunang dijieun kékéséd ku urang pasar! Parat sapeuting, Sariningrat sakerejep gé teu saré. Ngedeng sih ngedeng di enggon, tapi ngan matak pasiksak sepré jeung pasoléngkaran anggel baé balas marudah goléah-gedebug sapeuting; cacakan hawa nyerecep tiis mah simbut téh kalah ngalumbruk di juru, teu kapaké, da awak asana hareudang bayeungyang, panon téh disarékeun teu reup, diceurikkeun teu hing. Padahal lamun teu keur kagoda iblis mah, heug waktu sapeuting jeput téh dipaké tapakur, munjat ka Allah, najan teu meunang terbuka ogé, ari leuleus mah haté téh geus pasti. Kawas galagat Sariningrat kudu panjang lalakon, jadi bibit gugat-hariwayat. * Pabeubeurang, meneran wayah rumangsang, Si Abdullah nampanan duit salawé perak ti Agan Sari. Jangjina: bubuh-ripuh larawirang jeung baléwatanganana Sari mah teu nyaho-nyaho. Geuleuh keumeuhna, rujit-berewitna Agan mah cuci-tangan. Si Abdullah teu talangké, ngabéngbéos nepungan Bapa Damsik, dulurna Nyi Dampi, dukun ti Cikawao. Duka kumaha babadamianana mah, ngan anu tetela baé, Si Abdullah dibahanan botol leutik, aya sagedé cingir mah, eusina barang éncér, bodas hérang teu warnaan, teu aya ambeuan teu aya rasana, lamun campur jeung kadaharan téh teu katara meueus-meueusan acan. Ceuk dukun gejul téh: “Bapa mah tarima méréna, teu tarima nitah makéna. Ku ujang dipaké bageur, teu rék ménta bagian ganjaranana; ku Ujang dipaké jahat teu rék milu nanggung dosana. Ngan ulah gagabah, sabab ieu téh sakeclak matak hilang, satétés matak paéh, siksa-dorakana ulah mamawa ka Bapa. Bapa mah cara nu dagang bedog, tapi semet ngajual. Lamun dipaké ngala suluh kaala paédahna, lamun dipaké mahala jelema, panday mah da henteu nitah. “Enya Pa, tarima bérés!” jawab Si Abdullah. Geus ngeupeulan sarta sasalaman léos indit, rék balik. Ari imah Si Abdullah téh di lelewek pasar kénéh, kiwari mah Babatan ngaranna. Pamajikanana ngaranna Nyi Nisah, awéwé bageur pisan, urang dinyana. Sakitu lawasna imah-imah téh teu boga baé anak, duméh Nyi Nisah gabug. Ari Si Abdullah jeung Nyi Nisah téh, bojona, moal béda ti unggal pamaénanpalacuran jeung pamajikanana. Di mana-mana gé pamajikan panganclongan mah tara leuwih ti badéga purah ngalaan tulak panto. Ti salaki, sumawonna mangrupa duit balanja atawa sakadar pangrawat nu matak ngeunah, tampolanana banda pamahanan kolot gé ledis dijieun pawit, mulungtu teu sarung butut sarung butut acan. Lamun pamajikan teu rancingeus, atuh alamat budak réwak ménta nyatu. Ana salaki balik ti pamaénan, pimanaeun aya omongan leuleuy hipu matak ngeunah, tampolana saleuwihna tina haok-hamprong jeung porongos téh keur seu mah Manglé 2449
  13. 13. maké aya dampal leungeun gagelepok kana pipi. Awéwé anu pareng boga salaki ka pamaénan-palacuran-pamabokan, teu aya bédana ti ngarawatan kasakit, sarua jeung nanangkeup tihul, teu aya pisan tiis dingin paripurna téh. Nyi Nisah, pamajikan Si Abdullah gé nya kitu. Aya mendingna téh teu boga anak. Hadéna baé ninggang di awéwé daékan, bodobodo gé, aya aturan daék buburuh, isuk-isuk mangjualkeun kuéh, pabeubeurang mantuan nipung di Ibu Haji Ubeng anu kasohor ngareunah kuéh-basahna, purah kapeto jeung dikengkenan dina hahajatan. Mun Nyi Nisah teu bisa hirup kitu mah, atuh jado tonggérét, tonggérét enya, da ngandelkeun ti salaki mah, seubeuh sotéh kuk sentak jeung polotot, anu minangka gemuhna, éta ana geus kokosod ngusap pipi digaplokkeun. Kungsi midangdam méménta talak, awahing teu kuat, tapi batan dilisanan kalah awakna gareuneuk, dipahala. Najan Nisah awéwé bodo, tapi da teu gélo, ari rasa mah teu éléh seukeut ku saha baé gé. Sok sering lalamunan hayang mélét atawa ngasihan salakina ngarah malik nyaah jeung karunya, tapi teu timu jalanna ngan osok ngadéngé béja, magar aya pélét mangrupa cimata duyung, ngalana ti ditu tuh jauh, ti Cilacap, nyaho teuing lebah sisi langit beulah mana “nagara” Cilacap téh. Matihmatihna pélét, béjana, anu kaduyung ku cimatana téh mani nangkél-montél, léngkét-macét. Dina itungan Nyi Nisah nu bodo, lamun seug si Abdullah diloloh ku cimata-duyung, eudeuh siah, lamun acan sujudnyuuh bari acong-acongan tobat moal rék dibéré hadé. Tapi Nyi Nisah kituna téh ngan dina ciptaan baé, Manglé 2449 boro-boro bébéja ka salakina, indung sukuna pribadi gé teu dibéjaan. Atuda saha nu teu garéték boga salaki miyuni kerud: Mungguh jalma anu bodo heureut pikir, minangka mikirna, ngalamun nu lain-lain, nu teu kaharti ku akal. Ngumbar hayal nu taya watesna deui, jadi panyileukan, “mikiran” barang mustahil, asa heueuh, asa enya. Sasoré éta, Si Abdullah tara-tara ti sasari balikna teu bari jamotrot monyong, malah maké sura-seuri bari ngasongkeun encit linong jeung sarung Ciamisan. Ngomong saréh: “Icah, ieu aya rejeki manéh, Kaka boga milik meuli keur salin.” Nyi Nisah olohok, duméh carang bulanna carang taunna salaki kikituan téh, pok ngajawab! “Ieu téh alamat naon, bet kawas anu mamakasih (kanyaah pamungkas, biasana dilarapkeun ka jalma nu deukeut ka nu rék maot), tara-tara ti sasari!” Abdullah: “Ih, manéh mah ngomong téh sok dapon heuay, lain muji sukur lamun salaki keur hadé milik téh.” Nyi Nisah ngeber-ngeber pisalin bari nanya: “Alus jeung bogoh kuring gé, sabaraha ieu téh meulina?” Abdullah: “Bajuna salapan baru, sarungna tilu suku.” Sasoré éta, Nyi Nisah téh kawas enya keur kagunturan madu kaurugan menyan putih. Salakina jaba ti ngeupeulan baju-sarung téh kawas ngadadak babalik pikir, maké daék jinek, da sasarina mah ari jol ari léos deui, sasésana poporongos téh, balik-balik deukeut ka janari. Ieu mah léos ka cai, mandina rada lila, maké ngasay sagala. Tas mandi, rap dangdan singsarwa beresih, gék diuk di patengahan bari ngebul udud pipah lungsuran Anom Johan, bakona molé Tarogong ti kebon-percobaan. (Harita acan kaprah di bawahan Garut melak bako cara kiwari). Geus andekak kitu, gerogero ka pamajikanana, halon pisan: “Icah, Icah, cing Enok ka dieu, Kaka aya pibéjaeun.” Nyi Nisah dina haténa kagét, duméh salakina robah adat, tapi teu loba carita, sor nyampeurkeun, harémpoy émok, pahareuphareup. Abdullah: “Manéh mun dagang kuéh basah téh sok ka lebah mana ngiderna?” Nisah: “Teu tangtu, kumaha payuna baé, tampolana haneut moyan gé lebah kaum geus nangkubkeun nyiru, sakapeung mah deukeut ka tangangé utrak-atrok kénéh di Léngkong. Naha kitu?” Abdullah: “Rajeun oge ngider nepi ka Pungkur?” Nisah: “Biasana gé da di dinya rumbak panggangan téh. Naha kitu?” Abdullah: “Ulah naha kitu, déngékeun baé lanan, ambéh teu kagok. Osok ogé dibeulian ku Nyi Rapiah?” Nisah: “Laion osok, da maranti, malah sakalieun dagangan teu béak gé, sasat diteumbleuhkeun ka Nyai. Tara diilikan-ilikan acan daganganana gé, sok-sok baé duitna, basana gé peupeuriheun ngahaja méré, atuh nyanggap-nyanggap eusi nyiru basana.” Abdullah: “Aéh kutan. Naha da ka Kaka mah bangun ijideun naker, kakara lol ogé sirikna teu crot nyiduhan.” Nisah: “Teuing atuh. Sugan duméh ka kuring mah papada awéwé, atawa sugan ingeteun ka jenatna Ema pangasuh Nyai.” Abdullah: “Heueuh meureun, teu nyaho mun kitu mah. Kieu geura, déngékeun ku manéh, nya.” Nyi Nisah mun kuda mah ceulina mani racung sadia rék nampanan omong salakina anu ngadadak bageur. Abdullah: “Éta Nyai Piah téh waktu-waktu ieu eukeur ngaréhéng ka Aom Usman, nyaho teuing naon lantaranana mah, urang teu kudu nyaho. Karep Aom, Nyi Piah téh rék dipélét, tapi ceuk dukun nerapkeunana kudu ku awéwé, isukisuk antara meletek srangéngé jeung tangenge ambeh matih. Ngarti manéh?” (hanca) 13
  14. 14. Sabada Miéling 1 Muharram 1435 H Ngawewegan Islam nu Rohamatal Lil’alamin Ku Rudi H. Tarmidzi T i taun ka taun ngareuah-reuah atanapi miéling taun baru Islam (Hijriyah), jigana henteu robah. Kituna téh, pangpangna cék sabagian umat Islam nu ngagem agama Islamna saukur hayang kacatet wungkul. Disebut kacatet atawa pormalitas wungkul, lantaran mémang kitu buktina. Loba nu ngaku agama Islam tapi dirina teu apal kana dasar-dasar Islam, kaasup teu apal kana larapna rukun Islam. Bujeng-bujeng sok solat, dalah ngambeu cai wudu ogé jajauheun. Kitu deui dina bagbagan ibadah séjénna. Atuh aya deui sabalika, sagala apal kana bagbagan ibadah téh, cara solat jasmaniahna mah getol, zakat teu kaliwat, puasa nyakitu deui, maca qur’anna lancar, ngan duka kumaha kalakuanana mah méngpar pisan. Kayaning resep korupsi, resep gibah, teu resep batur beunghar, resep nyieun pitnah jeung sabangsana. Tah nu kitu téh, hartina nu diagemna tacan jero, tacan asak, tacan ihlas, tacan rido, tacan mampuh ngalarapkeunana. Nu aya, mampuh téh saukur dina ucapan wungkul. Ku kituna, sabada urang miéling hijrah atanapi 1 Muharram, hayu urang ngariksa diri, geus nepi kamana, urang ngalap hikmah tina hijrah téh. Naha kaislaman urang tiasa mageran diri sorangan jeung jadi rohmatal lil’alamin atawa sabalikna? Satukangeun Taun Hijriyah Nurutkeun sajarah, khalifah nu pangpayunna ngaresmikeun tur mitembeyanana ayana taun hijrah jadi taun Islam téh, Sayidina Umar bin Al Khattab, nalika taun ka-17 saatosna hijrahna Rosululloh Saw ti Mekkah ka Madinah. Namung nya kitu, Sayidina Umar nyalira henteu maksakeun diri keur netepkeun langsung dumasar kana 14 hijrahna Rosul ti Mekkah ka Madinah, nu diusulkeun ku Sayidinna Ali. Tapi, Khalifah Umar nyuhunkeun pendapat heula ti nu sanésna. Sakumaha biasana, Sayidina Umar ngayakeun musawaroh, luyu kana sababaraha usulan. Nu diantarana waé aya nu ngusulkeun mimiti taun 1 hijriyah teh dumasar kana lahirna Kangjeng Rosululloh SAW. Aya ogé nu ngusulkeun ngawitan Kangjeng Nabi diangkat janten Rosul, atanapi aya deui ngawitan ti wafatna Kangjeng Rosul. Anapon ahirna diputuskeun dumasar kana hijrahna Kangjeng Rosul, Sayidina Umar ogé gaduh pamadegan nu langkung luhur ajénna, nyaéta kajantenan Hijrah Rosululloh Saw, henteu waé ngandung ajén sajarah pindah tempat, namung aya nu leuwih agung nyaéta mangrupa kajadian nu ngabédakeun antara nu hak jeung nu batil. Hartosna, keur umat di jaman iraha waé, mémang robahna taun hijriyah tina kajadian hijrah, dipiharep ayana parobahan ti waktu ka waktu nu tetep ajeg dina laku lampah nu hak, sarta ngajauhan nu batil. Kajadian ieu dumasar kana sajarah dina tanggal 1 Muharam 1 H, atanapi 16 Juli 622 M dinten Jumaah. Dina kalénder Islam aya nu unik, diantarana waé; naha mimiti taun hijriyah téh bet bulan Muharram henteu bulan Rabiul Awal sakumaha waktu hijrahna Kangjeng Rosul bulan Rabiul Awal? Mémang, numutkeun sajarah, hijrah Nabi ti Mekkah ka Madinah dina dintenan Kemis ahir bulan Safar, sareng kaluar ti Gua Tsur dina mimiti bulan Rabiul Awal, jinekna dinten Senen 13 September 622 M. Namung kitu, Sayidina Umar sarta sohabat-sohabatna miharep bulan Muharram dijadikeun mimiti taun hijriah. Nu jadi lantaranana, Kangjeng Nabi kantos ngaazam nalika hijrah, sarta Muharram lebet kana salahsahiji bulan dina Islam nu dilarang Alloh SWT ayana peperangan. Sahingga Rosululloh kantos sasauran bulan Muharram téh “Bulan Alloh”. Dawuhanana “Sahadé-hadéna puasa lian ti puasa di bulan Romadon nyaéta puasa di Bulan Alloh, nyaéta bulan Muharram”. ( HR. Imam Muslim). Muharram dina Islam, mangrupa salahsahiji bulan haram. Aya opat bulan, nyaéta Rajab, Zulka’dah, Zulhijjah jeung Muharram. Dawuhan Alloh sakumaha kaunggel dina surat AtTaubah ayat 36, nu hartona: “Saéstuna jumlah bulan di sisi Alloh aya dua welas bulan (nu geus ditetepkeun) dina kitab Alloh nalika diciptakeun langit jeung bumi, di antarana opat bulan nu dimulyakeun. Kajinekan kitu mangrupa pituduh agama nu lempeng, mangka kahadé maranéh ulah silih kaniaya diri sorangan dina bulan-bulan nu dimulyakeun éta (ku cara ngalanggar panyarék-Na). Sakumaha dawuhan Alloh di luhur, tiasa dicandak hikmahna, nyaéta pépéling keur umat sangkan ninggalkeun sagala dosa perdosa. Numawi kitu, upama kajadian Hijrah dijantenkeun titi mangsa taun anyar Islam, munasabah pisan. Lantaran, singhoréng musuh nu pangbadagna nyaéta nafsu nu aya dina diri urang séwang-séwangan. Dijéntrékeun, yén silih kaniaya bakal jadi karesep umat dina hiji jaman. Malahan ti jaman ka jaman, kahayang nafsu manusa kana silih kaniaya bakal beuki némbongan. Ku kituna, hikmah hijrah lain saukur kajian sajarah, tapi ngandung hikmah sakumaha nu dijadikeun dasar ditetepkeunana kalender hijrah. Tinggal, urang ayeuna, geus nepi ka mana tiasa mahing polah nu mudorot jeung geus nepi ka mana urang mampuh ngalaksanakeun papagon Islam nu Manglé 2449
  15. 15. rohmatal lil’alamin. Hikmah Waktu dina Islam Robahna alam, robahna jaman, robahna paripolah manusa geus jadi sunatulloh. Kituna téh jéntré dina Islam sakumaha dijelaskeun dina surat Al-Ashr. Nu kitu unggelna: Wal-Asyri, innal insana lafii husrin, ilalladziina aamanu waamilushsholihati, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri. Demi waktu, saéstuna manusa aya dina karugian, iwal jalma nu iman jeung nu milampah amal soléh, nu mampuh silih wasiatan dina bebeneran jeung kasobaran. Tandes tur témbrés ugeran Islam keur obor manusa. Kumelendangna jalmi di alam dunya, pak-pik-pekna jalma néangan nyiar kipayah nepi ka keuna ku istilah poho kana waktu, singhoréng aya nu ulah dipopohokeun, nyaéta cara jeung kumaha ngagunakeun waktu. Nu jelas, waktu nu terus nunutur urang, seuhseuhanana mah bakal ngarugikeun urang. Tipoporose jalma nu kasibukanana, ahirna mah bakal kawatesanan ku waktu. Sakumaha jalma kuat atawa jagjag belejag ogé, ahirna bakal bakal kawatesanan ku waktu. Hartina dasarna mah jalma téh lemah, jalma téh moal meunang kauntungan, kajaba jalma nu henteu lolong kana hakikat waktu. Saha jalma nu kitu téh? Intina jalma nu apal, yén hirup di dunya téh bakal diteruskeun hirup ka alam jaga. Ieu intina waktu. Jaman atawa waktu keur manusa aya dina opat alam. Aya alam rahim, alam dunya, alam kubur/barjah jeung alam ahérat. Ieu alam henteu bisa dipisahkeun. Teu aya hiji jalma nu ujug-ujug datang ka alam dunya henteu ngaliwatan alam rahim, kitu deui henteu aya jalma nu tibalik, ka alam barjah heula terus ka alam dunya. Tapi hirupna manusa luyu jeung proses ayana alam, nepi ka alam ahérat. Ku kituna bakal kaharti, singhoréng jalma nu moal rugi disatukangeun jaman atawa waktu nyaéta sakumaha ditétélakeun dina Islam, nyaéta nu ‘aamanu waamilushsholihati, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri’. Ieu ayat papagon manusa nalika di alam dunya. Aya palajaran nu keur nyalametkeun di alam dunya jeung alam barjah aya ogé palajaran sangkan salamet di alam ahérat. Nu kahiji, jalma nu iman (aamanu). Iman hartina percaya. Témbrés kacida, Manglé 2449 urusan kaimanan ayana dina haté dina qolbu. Lantaran kitu, iman jadi pager haténa jalma keur nyanghareupan sagala perkara. Dina rukun Iman tandes deui manusa kudu percaya kana poé ahir, poé alam kubur atawa alam barjah. Hartina, saha jalma nu iman, nu akalna henteu mung wungkul dumasar pédah katempo ku mata lahir, éta jalma bakal salamet nepi ka alam jaga, alam ahérat. Masalah iman mémang panjang upama dibéjérbéaskeun. Malahan dina kitab syu'bul iman mah apan nepi ka aya 77 cabang iman. Tapi prinsipna jalma iman, kantenan geus ngabuktikeun henteu poho kana waktu nu bakal datang. Sabalikna jalma nu teu iman, hartina musrik, nu teu percaya, salila bakal rugi, lantaran moal nerap kaimanan, moal percaya aya alam ahérat. Lantaran teu percaya alam ahérat, atuh kaharti pisan, lampahna ogé bakal jauh jeung papagon agama. Nu kadua, waamilushsholihati. Amal kasoléhan. Kasoléhan nuduhkeun, manusa bener-bener ngagunakeun lampah di alam dunya téh, lian ti karana iman ogé karana hayang salamet. Kasoléhan saéstuna keur mageran salamet jeung teu salamet. Salamet dina harti nu jembar nu salawasna bakal tinemu jeung kabagjaan nu salawasna, henteu ukuran nu pondok. Lantaran ukuran nu pondok, salamet bisa waé dihartikeun salamet teu kapanggih. Saperti ucapan, ‘salamet euy, untung teu katingal polisi…!’ jeung sabangsana. Nu saenyana, dirina rumasa geus ngalakukeun kasalahan. Tah, salamet di dieu mah lain nu kitu, tapi salamet nu pihadéeun, salamet nu panjang. Sapertina waé jalma jujur. Enya apan sok jadi obrolan salah, pajar bakal rugi cenah upami dagang kiwari mah kudu jujur mah. Atawa lamun di kantor jujur bakal ngarurugi manéh!. Beu! Eta nu kitu ulah dikukut. Lantaran dina Islam, jalma nu teu jujur alias nu hianat bakal rugi kabina-bina. Henteu kapanggih ayeuna, apan jelas di ahérat mah pasti narémbongan. Malah anggota badan bakal jadi saksina. Hartina, upama urang soléh, hadé ka batur, hormat ka saluhureun, nyarita hadé pikabetaheun, saé budi parangina, kantenan nu kitu nu apal kana waktu. Waktuna lain keur nyalametkeun dirina tapi ogé keur papada jalma. Lantaran apal, hiji manusa hiji waktu mah bakal mikabutuh manusa séjénna. Jadi jalma nu soléh jalma nu ngahargaan kana waktu. Nu katilu, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri. Dua pituduh sangkan silih élingan dina bebenaran jeung kasobaran. Silih élingan dina bebenaran, lantaran hirup jalma moal salilana cicing dina hiji kaayaan, pasti bakal butuh ku pangéling jalma séjénna. Sanajan silih élingan kiwari mah beuki hésé, tapi silih élingan kacida perluna. Saperti jalma nu pinter, apan lain hartina babari diélingan dipapagahan. Malah sabalikna sok nyentak. Basana, apal naon manéh! jeung sabangsana. Upama jalma geus hésé diélingan, geus lolong upama dipapagahan bebeneran, éta téh tanda jalma nu teu apal kana hakékat waktu. Majar waktu téh moal robah, pajar waktu téh saukur nu katingal muterna dina jam. Ingetkeun ka jalma nu kitu, waktu téh aya dina robahna diri manusa séwangséwangan. Contona waé, jalma nu aya dipangbérokan jeung jalma nu rék meunang hadiah atawa rék tepung jeung nu dipikameumeutna. Apan, sarua 24 jam waktuna mah tapi ngarasakeun waktuna nu béda. Jadi, pantes dina Islam, saha jalma nu sok silih élingan jeung narima upama diélingan dina bebeneran, éta téh jalma nu apal kana waktu. Lian ti silih élingan dina bebeneran ogé dina kasobaran. Kasobaran lain hartina pasrah teu walakaya. Tapi sobar dina harti tawekal ka Alloh Swt. Innalloha ma’a sobirin. Lamun Alloh geus resep ka jalma sobar, dina harti tawekal ka Alloh, mangka kasobaranan bakal diganti ku rohmat Alloh. Tah, palebah dieu, pentingna jalma silih élingan ku kasobaran, sangkan jalma sadar kana waktu, yén waktu mah bakal robah. Urang teu apal isuk jaganing pagéto bakal tinemu jeung bagja atawa sabalikna. Nu apal anging Gusti Alloh Swt. Di dieu, nyecebkeun kasobaran ka papada jalma penting kacida dina ngadalikeun waktu. Lantaran hiji jalma, hiji waktu mah bakal tinemu jeung bakal butuh kasobaran. Ku kituna, bekel salamet di alam dunya, nyaéta jalma nu silih wasiatan silih élingan dina bebeneran jeung kasobaran. Miéling 1 Muharram Hijriyah 1435 kamari geus direuah-reuah ku kamonésan-kamonésan. Tapi disatukangeun éta, aya nu leuwih pentingna deui, nyaéta kamampuh diri séwangséwangan dina nanjeurkeun papagon Islam nu rohmatal lil’alamin. Mudahmudahan. Amin. *** 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS Ngubaran ku Jimat Patarosan: Assalamu’alaikum Ais Pangampih Manglé. Abdi gaduh wargi nu teu damang wales. Tiap bulan sok dilandongan ka pangobatan alternatif. Namung dugi ka ayeuna panyawatna kalah parna. Ku simkuring diwartosan, supados ka rumah sakit waé ku médis. Namung anjeunna kalah ngambek, saurna teu percaya ka dokter. Kituna téh anjeunna leuwih percaya ka kampung. Ku simkuring ditaros, naon obatna upami dilandongan ka kampung? Cenah ku batu jimat nu aya tulisan ayat-ayat al-qur’an. Lantaran anjeunna ngambek, simkuring ogé teu kapapanjangan mapagahan anjeunna. Nu jadi patarosan, kumaha hukumna jimat dina hukum Islam? Hatur nuhun. Fahrudin Surade Sukabumi Waleran: Hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Ti payun ngiring ngaduakeun mugi nu teu damang, énggal sing didamangkeun. Anapon nu jadi patarosan perkawis jimat, mémang seueur nu naroskeun. Caritana ogé bédabéda, namung intina sami. Ais pangampih Mangle kantos dina édisi kapungkur medar perkawis ieu ogé. Istilah jimat kabahas dina ajaran Islam nu disebatna “tamimah”, bentuk jamakna disebat “tamaim”, hartosna perkara anu dipakékeun (digantungkeun) biasana dina punduk (léhér) budak keur ngusir jin jahat, kalawan éta budak ulah kasorang ku panyakit. Atawana dipaké pikeun ngubaran panyakit anu tumiba ka éta budak. Sajabi ti jimat, pikeun ngubaran panyakit, oge sok digunakeun jampé (jampé pamaké). Dina ajaran Islam disebut “ruqiyah”, hartosna babacaan anu henteu puguh, atawana henteu ngandung harti anu jelas. Pagawéan kitu, boh ngagunakeun jimat atawa jajampéan, numutkeun ajaran Islam hukumna “haram”, malih kalebet pagawéan musyrik. Sakumaha pidawuh 16 Rasul: “Saéstuna jajampéan, jimat, atawa guna-guna anu digunakeun ku awéwé supaya dipikaasih ku salakina, kaasup pagawéan syirik” (HR. Ahmad, Abu Dawud, Baihaqi, sareng Hakim). Tapi husus ngeunaan jampé, Yusuf Qardhawi nguningakeun dina fatwana, wiréh aya ulama anu ngameunangkeun kalawan aya sarat-saratna, nyaéta, kahiji, kudu bari nyebat asma Alloh sareng asma-asama liana. Kadua, ngagunakeun basa Arab bari jelas hartina, sakumaha anu kantos dicontokeun ku Rasul, kieu hartosna: “Ya Alloh anu janten Pangeran sakabéh manusa, mugi enggal ngadamangkeun ieu panyakit tur séhatkeun diri abdi! Mung Allah wungkul anu tiasa ngadamangkeun. Henteu aya hiji ubar ogé anu tiasa ngadamangkeun, anging ku kersaning Gusti, anu henteu nyésakeun panyakit sanajan saeutik”. Supados langkung paos dina basa Arabna, tiasa diuningaan dina buku “Kumpulan Doa-doa”. Katilu, ngabogaan kaayakinan, yén éta jampé moal bisa nyageurkeun panyakit anging dibarengan ku kakawasaan sareng kersa Gusti Alloh Swt. Di jaman Rasululloh SAW masih jumeneng kénéh, kantos aya hiji rombongan jalma anu jumlahna sapuluh jalma, sumping ka payuneun Rasul bari ngaikrarkeun dirina asup Islam. Lajeng Rasululloh ngaridoan salapan urang, sedengkeun anu saurang deui ditahan. Nalika Rasul ditaros, ku naon nahan anu saurang deui. Rasul ngawaler, sabab dina punduk éta jalma aya jimat. Teras éta jalma ngasupkeun leungeuna kana jero bajuna, ngaluarkeun/miceun jimatna. Saatosna kitu, lajeng Rasul ngabae’at bari ngadawuh: “Sing saha anu ngagantungkeun jimat dina awakna, éstu manéhna tos ngalakukeun syirik.” (HR. Hakim, Ahmad sareng Abu Ya’la). Dicarioskeun ogé dina hadits sanésna anu diriwayatkeun ku Imran bin Husen, anjeuna nyarioskeun Rasululloh Saw papendak sareng hiji jalma. Dina pigeulangeunana aya geulang anu dipidamel tina kuningan. Lajeng Rasul tumaros: “Naon ieu?”. Eta jalma ngawaler: “Ku- ring nganggé ieu, lantaran kasorang panyakit dina punduk kuring”. Lajeng Rasul ngadawuh: “Andika kudu inget! Saéstuna jimat, jadi sabab awak anjeun lemah, ku kituna buru-buru piceun, sabab saupama anjeun maot, sedengkeun jimat masih némpél dina awak anjeun, mangka anjeun bakal kaasup jalma-jalma anu rugi”. Lajeung perkawis jimat anu nganggé ayat-ayat al-Quran, aya ulama anu ngameunangkeun, aya ogé anu ngaharamkeun. Malahan lolobanana mah ngaharamkeun. Sakumaha katerangan anu sumberna ti Ibrahim al-Nakha’i, ti kalangan para tabi’in nyarioskeun, yén para sahabat Nabi Saw ngalarang sadaya bentuk jimat, boh anu dipidamel tina ayat-ayat al-Quran, sok komo anu dipidamel lian tina ayat-ayat al-Quran. Tapi pamadegan anu leuwih kuat mah nyaéta ngalarang ngagunakeun jimat anu bentukna kumaha baé. Dasarna nyaéta, aya katerangan anu ngaharamkeun jimat, sifatna umum. Tegesna henteu ngabédakeun antara jimat anu kieu sareng jimat anu kitu. Nalika Rasul nyarék ka hiji jalma anu nganggé jimat, Rasul henteu tumaros, naha éta jimat ngagunakeun tina ayat al-Quran atawa sanés. Tapi Rasul ngalarang kana éta jimatna, kalayan henteu mandang kana naon anu ditulis dina éta jimat. Dina hal ieu ogé, Rasul kantos maréntahkeun, sakumaha pidawuhna: “Prak geura ubaran maranéh kabéh hé hamba Alloh! Saéstuna Gusti Alloh henteu nibankeun panyakit ka hiji jalma, anging Mantena masihan piubareunana.” (HR. Ahmad, Ashhabus Sunnah, Ibnu Hibban sareng Hakim). Pidawuh sanésna: “Saéstuna ubar panyakit aya dina tilu rupa; ngaleueut madu, bekam (ngaluarkeun getih kotor), jeung némpélkeun beusi panas dina anggota badan anu kasorang panyakit.” (HR Imam Bukhari). Sakitu, mudah-mudahan pedaran ieu tiasa didugikeun, hususna ka nu teu damang téa, atuh umumna mah ka saha waé nu peryogi kanggo nambah-nambah élmu pangaweruh. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Amin.*** Manglé 2449
  17. 17. PBV Pasundan Makalangan di Bali T im putra Persatuan Bola pihakna komitmen moal rek Voli (PBV) Pasundan narik eta genep urang pamaen minangka salasahiji inti, nu tandang dina BK Porda club wawakil Jawa Barat, Bekasi ngawakilan Kota Banmakalangan di Kejuaraan Nadung. sional Antarklub Divisi I di Bu"Lebah dieu tangtos langkung leleng, Bali 27 Oktober sampai mrioritaskeun daerah diband5 November 2013. ingkeun klub". Ceuk Boy harita Midangna PBV Pasundan di tandes naker. Kajurnas, tangtu lain hal enSawatara eta, samemeh teng, ngalakonan perjoangan miang ka pulo Dewata, kapten tur mampuh nyumpunan jadi tim PBV Pasundan, Anwar salasahiji club pinunjul dina Sadat netelakeun, dirina jeung turnamen antarclub sa-Jawa batur-batur sa timna siap tanBarat. Lobana 12 atlet anu dang dina kejurnas bola voli anmangrupa hasil binaan Pasuntarklub. dan eta, basa deuk miang diju"Sacara fisik, pon kitu deui Ketua Umum PB. Pasundan Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., runglaku jeung kaludeung ku mental, tim PBV Pasundan siap ngajurunglaku tur nyumangetan Tim BPV Pasundan Ketua Umum PB Paguyuban tandang," pokna. PBV mampuh asup final," pokna. Pasundan, Prof. Dr. H.M. Didi TurSadat negeskeun, lawan nu kaitung Agus Jumaedi ngecekeun, miangna beurat anu disanghareupan nyaeta ti mudzi, M.Si., disaksian ku pangurus sejenna di Lante luhur kantor Pascasarjana TIM PBV Pasundan ka Kejurnas di Bule- Bank Sumsel Babel anu dikuatan ku para Unpas, Jln. Sumatra No. 41, Bandung, leng, saeutik aya hahalang . pamaen nasional. "Konsentrasi saeutik kaganggu, alatan Kamis (24/10). Diantarana Anwar Sadat, "Tapi moal matak gimir, tetep bajuang Dani Ardiansyah, M. Sidiq, Dani Iskan- persiapan nyanghareupan babak kuali- demi Jawa Barat, satekah polah tim PBV dar, Dadan M., Prasadian, Rizky fikasi (BK) Porda di Bekasi, nu waktuna Pasundan mampuh asup ka final," kitu Prasetya, M. Iqbal, Vicky, M. Arief, mareng. Aya genep pamaen PBV Pasun- ceuk ieu salasaurang karyawan di FISIP dan anu milu BK Porda," pokna. Fahrizal, jeungGugi Gustaman. Unpas optimis jeung sumangetna.*** Sok sanajan kitu, Boy gede sumanget, Ketum Paguyuban Pasundan estu ngaNay jurung laku tur mere sumanget ka PBV Pasundan, salasahiji tim voli nu jadi wawakil Jawa Barat dina even nasional. "Tangtu ieu teh mangrupa kareueus keur urang sadaya. Sabab, katara yen Pasundan henteu ngan unggul dina widang pendidikan jeung budaya, tapi deui mampuh mintonkeun kapunjulanna dina widang olahraga, hususna voli, kalawan manggungna PBV Pasundan. Wilujeng tandang makalangan. Eleh jeung meunang dina laga mah biasa. Tapi sabisa bisa kudu juara,” kitu ceuk Ketua Umum nyumangetan. Bral geura miang tandang makalangan," pokna. Bangga. Sajeroning kitu Pelatih Kepala PBV Pasundan, Drs. Agus "Boy” Jumaedi, M.Si., netelakeun, dina kompetisi anu sarua jeung taun kamari anu digelar di Sentul Bogor, Alhamdulillah, timnna mampuh nyumponan asup semifinal. Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan (calik) dipoto bareng jeung tim PBV Pasundan "Taun ieu mah nya mudah-mudahan memeh miang ka Buleleng, Bali. tim Manglé 2449 17
  18. 18. Péso Komando Carpon Sanjani ontong panggih deui jeung si éta, siah!” Ceuk bapa, bari sesentak. Tuluy ngawakwak ka mana karep. Curukna nu teu eureun tutunjuk kana irung. Sorana bedas, ngajelengéng kana ceuli. Teu dipaliré. Teu hayang ngadéngé. Barina gé ari arék nyarékan mah sing ningali kana kaayaan! Kumaha lamun ninggang hareupeun jalma réa? Rék dikamanakeun beungeut kulawarga? Katurug-turug bapa téh tentara, turta pangkatna teu bisa disapirakeun. Matak nyisitan kana panon nu nempona. Kitu meureun nya jadi tentara mah, kudu total béla pati keur nagara. Ari kulawargana diantep sina balangsak. Duka bapa wungkul kétang nu kitu téh. Mun seug aya kénéh ibu, meureun moal kieu bapa téh. Moal nandasa kana harepan nu jadi anak. Enya ari hirup mah sarwa cukup, sarwa kacumponan, ngan nu jadi hanjakalna harepan kuring asa geus diganggayong ku kaayaan bapa nu ayeuna. Padahal teu pira kahayang téh, hayang panggih jeung hiji mojang nu teu weléh ngaringkang dina lelembutan. Hayang panggih jeung Rita. Ah, jigana hal-hal nu kitu mah lain pikiraneun bapa. Tayohna tina awahing ku mindeng curak-carék, jadi asa ilahar waé. Malahan teu samet nyarékan, aya kalana sok nepi ka ngeunteupkeun peureup kana beungeut. “m 18 Manglé 2449
  19. 19. Kajadian kitu téh kungsi karandapan ku kuring basa keur di pangkalan ojèg. Nu jadi sababna mah pédah kaperego keur ngobrol jeung Rita. Padahal mah da teu kahaja amprokna gé. Padapada rék naék ojég muru ka tujuan séwang-séwangan. Rita indit ka tempat pagawéanana, kuring miang ka kota rék kuliah. Mun harita euweuh Kang Jamlun jeung Mang Sarpi mah, teuing kumaha boa. Cacakan ka anak sorangan. Komo ka batur. “Mun manèh keukeuh hayang nepungan, aing moal ngaku anak ka silaing! Ngarti?!” Kuring ngabetem basa di imah bapa ngomong kitu. Ukur diuk dina korsi. Pikiran mah ngacacang ka mana boa. Geus bosen ngadé ngéna, geus asa ngadéngékeun lagu lawas nu dihaleuangkeun unggal mangsa. Jeung deuih mun ngalawan da puguh lain lawaneun. Cumah! Miceunan waktu jeung tanaga. Mending dipaké dagang atawa nyieun carpon. Puguh kaharti éta mah, aya bungkleukanana. Aya batina. Dijamin. Moal aya tungtungna paturegeng jeung bapa nepi ka puput umur gé. Tong boroning jeung anak, kalan-kalan jeung atasanana gé pahereng-hereng, pédah wé umurna sahandapeun. “Jeun teuing, da can kungsi milu perang ieuh atasan aing mah,” kitu nu mindeng kadéngé mah ti bapa. Enya, atasan sotéh da lebah sakolana. Bapa mah kapan kungsi milu perang, ti mimiti Acéh nepi ka Lébanon. Kungsi bégalan pati di médan perang. Katelah sangar pisan bapa téh. Kagodèr saeutik, moal burung morongos. Komo mun aya nu wanieun ngaheureuyan, langsung dijekuk. Antukna batur gé pada ngajauhan. Nu sok biasa nganjang ka imah, Manglé 2449 sanajan ngadon nguseup di pipir imah atawa ukur gogonjakan di ruang tamu, ayeuna mah geus langka. Bangun nu leungit kabawa angin. Dina ayana gè bubuhan wè mun perelu. Da ngahaja-haja mah pimanaeun teuing. Sieuneun ku adat bapa nu sok ngagambreng teu pupuguh. Bapa jadi kitu téh ka béhdieunakeun; ti saprak ditilar ku ibu nu mulang ka kalanggengan dua taun katukang. Dulur-dulur kitu deuih, embungeun ngahaja amprok. Dina waktu lebaran gè da pada moyongkod mun pareng panggih jeung bapa tèh. Pahayoh-hayoh mun rèk sasalaman téh, pada-pada embung ngabalakan. “Ayeuna mah manèh sakola sing balèg. Sing bener! Aing mah nitah tong manggihan si Rita sotèh da nyaah ka manèh. Bisi kabawa teu balèg.” Bru calana loréng bapa urut dipaké sapoé jeput ditambrukeun kana méja hareupeun sofa. Kuring tung kul, enyaan teu hayang melong beungeut bapa. Tuda geus siga témbok di sisi jalan anu pinuh ku corétan-corétan géngster. Teu mangrupa. Naha enya nyaah, Pa? Mun nyaah tangtuna gè moal mahing kuring sangkan amprok jeung Rita. Boga salah naon ari Rita, Pa? Nepi ka boga pipikiran kawas kitu. Manasina mun Rita tèh bangsat nu ngajak milampah pagawéan nirca. Buktina kapan henteu. Kuliah teu karobéda, malah sakeudeung deui gé lulus jadi sarjana. Oh, boa pédah ningali Rita sok indit-inditan ti peuting balikna subuh mamaké rok nu salu hureun tuur meureun nya? Atawa sok nempo Rita kaluar tina mobil sedan bari beungeutna celong, sepa, tur buukna ruwag-rawig? Na atuh da éta mah lain kahayang Rita, éstuning kapaksa ngalakonanana pikeun nyumpo- nan pangabutuh keur dirina jeung kulawarga. Apal ieuh, ti saprak indung-bapana pipisahkan, nya Rita nu jadi gunung pananggeuhan pikeun adi-adina anu karék sakola di SD. “Si Rita mah cucungah! Matak mawa wirang! Awéwé la’nat! Runtah masarakat.” ceuk bapa bari ngaléos ka dapur. Jung Kuring nangtung basa bapa ngomong kitu. Kuring mencrong ka bapa nu keur ninyuh kopi di dapur. Panon ngulincer. Biwir gumeter. Huntu geus tingpepereket. Urat beuheung geus raranteng. Leungeun ngeleter. Pikiran geus titeuleum kana sagara napsu. Rét kana méja, katara aya péso dina calana bapa, péso komando. Gap éta péso dibawa. Kuring ngabedega hareupeun sofa. Dina wangwangan geus euweuh Rita, iwal ti bapa. Bapa. Tapi leungeun bet can panceg nyekel péso. Ngarasa cangcaya rék milampahna. “Ayena waktuna,” ceuk nu ngaharéwos kana ceuli. Tuluy ngaleungit katebak angin. Nyéh kuring seuri. Réma beuki biasa ngeupeul péso. Keteg jajantung beuki gancang. Getih beuki tarik ngamalir ka sakujur awak. Léngkah beuki hampang. Deudeuleuan beuki atra. Geus moal asa-asa, geus wasa ayeuna mah. Beuki deukeut, beuki deukeut. Kaangseu bau cikopi. Bau awak Bapa. Bau..getih bapa. Péso komando diacungkeun, tuluy… *** Koréjat Kuring hudang. Késang ngoprot saawakawak. Kuring rarat-rérét ka sabudeureun rohangan. Aya lomari. Aya poster. Aya potrét kuring jeung Rita waktu jatukrami. Rét ka gigir, aya Rita keur saré ngageubra. Keur ngalalana dina impénan tayohna mah. Kuniang kuring cengkat tina risbang. Beretek lumpat laju muru ka kamar bapa. Keteg jajantung beuki rosa, dina pikiran ngan ukur bapa. Bapa. Jeung bapa Barang nepi, kamar suwung. Teng, ieu lelembutan geus ka mana boa. Kuring geus teu puguh rasa, bisi bapa… Ah, ieu suku tuluy luméngkah ka papiliun. Dingding geus robah kabéh jadi beungeut bapa. Pon kitu deui poto-poto dina pigura, kabéh jadi gambar bapa. Ana geus anjog ka papiliun, kajeueung dina sofa beureum aya nu diharudum ku simbut. Haté teu weléh ratug tutunggulan. Tuluy simbut disingkahkeun…. Barang bray, katara kumisna baplang, buukna cepak, jeung dadana komboy. Rét kana beuteungna, aAlhamdulillah. Aya kénéh empésempésna. Geuning bapa aya kénéh dikieuna. Taya kajadian nanaon, taya kajadian cara nu dina impian. Gék Kuring diuk dina korsi gigireun sofa beureum, bari sirah léléndéan kana luhur sofa. Kadéngé haleuang sora Axel Rose dina DVD, kawasna mah urut nyetél bapa tadi. Angin ngahiliwir nuuskeun késang. Matak tingtrim. Jam dingding teu kareungeu sora jarumna. Peuting téh karasana bet ramé kieu. Geus lain mangsana, geus waktuna réhé. Mépéndé nu rék saré. Rét ka handap néangan rémot DVD, maksud téh rék mareuman nu keur hahaleuangan. Deg kuring ngagebeg basa panon mencrong kana leungeun. Lain sora Axel Rose deui nu ngahariring, baganti jeung sora jam dingding sarta angin matak nyocokan ceuli. Ketug jajantung ayeuna karasa eureun. Panon teu daék ngulincer. Sirah ngageter. Rasa cangcaya dina pikiran tuluy muter. Dalah dina leungeun, péso komando nu dicekel.*** Perbas, 2012 19
  20. 20. W anci nyedek ka burit. Sakeudeung deui bedug magrib. Tapi Mang Tatang masih ongko-ongko méréskeun tangkal sampeu di kebonna nu aya di lamping gunung. Tadi isuk-isuk sampeuna diborongkeun ka bandar. Mokaha hasilna rada mucekil najan sésa ngoréhan monyét ogé. Komo lamun seug sakadang teu ngaranjah mah, hasilna bakal leuwih untung. Keur anteng ngalamun bari méréskeun tangkal sampeu ka sisi, ujugujug ceuli Mang Tatang rancung. Ngadéngé-déngé sora hawar-hawar ti luhur gunung. Gawéna ngarandeg heula bisi salah déngé. Sora nu ceurik ngabangingik. Awéwé! Hawar-hawar sakapeung kabawa angin ti lamping. Bulu punduk Mang Tatang langsung rancung. Ah, ukur dédéngéan meureun. Ceuk pikirna. Manéhna neruskeun deui hanca gawéna nu kari saeutik deui. Hing deui kadéngé sora nu ceurik ngabangingik. Beuki awas, yakin luhur gunung pisan, tonggoheun kebonna. Teu éra ku pantar lalaki, Mang Tatang teu ngurus meungkeut tangkal sampeu nu diteukteukan tadi. Teu sirikna ngagedig lumpat muru ka lembur. Kasieun asa ngukuntit. Bulu punduk asa cawidwid. Kacipta, nu ceurik nyangheuy di luhur tangkal kiara jégang. Buukna ngarumbay panjang ngagangsar kana taneuh. Hiiiiyyy, amit-amit. Mang Tatang ngusap birit. Leumpangna beuki ngungkug mudun, teu inggis tisungkruk da haté dikukuntit kasieun. Palebah tanjakan bis waé nubruk Aki Arnasim nu karék balik pulang marab domba inguanana. Imah Aki Arnasim teu jauh ti éta tanjakan. "Naha ari sia, Sujang, leumpang téh kawas nu diudag jurig waé?" "Itu, Ki…di luhur gunung. Di luhur gunung….." Mang Tatang nyarita teu puguh. "Di luhur gunung? Aya naon kitu di luhur gunung? Aya nu cilaka?" "Lain, Ki…jurig ceurik…." 20 Nu Ceurik Luhur Gunung Carpon Mamay Noer Mang Tatang nyarita tatag naker. "Jurig? Jaman kiwari masih aya keneh jurig? Kapan di luhur gunung téh lalénang. Teu salah déngé, Tang?" Aki Arnasim jiga nu cangcaya. "Demi Alloh, Ki…abdi teu nginjeum ceuli batur. Dua kali ceurikna. Mimiti mah ukur hawar-hawar. Kabéhdieunakeun beuki atra. Yakin éta sora nu ceurik ngabangingik, kanyenyerian, ki….." "Boa-boa….." Aki Arnasim ngagerendeng. "Boa-boa naon, Ki?" Mang Tatang mencrong bangun panasaran. "Arwah Nyi Sumi…." “Nyi Sumi anakna Mang Hadma nu di lembur lebak téa? Ari kitu kunaon jeung arwah Nyi Sumi?", "Enya, Jang…kapan maotna gé teu wajar. Maot di pabrik tempat gawena. Ceuk béja mah diwadalkeun, mangkaning kapan parawan kolot jadi maotna panasaran…." Mang Tatang colohok mata simeuteun. Asa teu percaya ari arwah Nyi Sumi kudu kulayaban mah. Nyi Sumi kapan kasebut parawan bageur. Teu loba tingkah najan hirup di kota gedé. Obrolan kapegat ku haloangna sora adzan ti masjid. Mang Tatang jeung Aki Arnasim mungkas obrolanana rék muru berjamaah solat magrib. * ** Carita Nyi Sumi marakayangan nerekab di sakuliah lembur. Itu-ieu puk-pok nyaritakeun sora nu ceurik luhur gunung jeung maotna Nyi Sumi. Padahal mah Nyi Sumi maot di Bandung. Maot di pabrik tempatna gawé. Ceuk béja Nyi Sumi jadi wadal tempat manehna gawé. Aya béja deui Nyi Sumi diperkosa terus dipaténi ku babaturan sapagawéanana. Enya gé rada telat rumah tangga, Nyi Sumi kaitung boga wanda pantes. Komo mun daék dangdan mah. Tapi meureun da heueuh, masalah jodo diatur ku Nu Maha Kawasa. Nyi Sumi diparengkeun can ditepungkeun jeung jodona kaburu dipungkas ku pati. "Ari manéh bener ngadéngé nu ceurik di gunung?" Jang Otong melong ka Jang Mah- mud babaturanana. "Bener….mimiti mah teu percaya. Padahal mah masih beurang kénéh jam duaan batur gé réa kénéh di kebon." "Nini Armunah gé kapan kamari nepi ka labuhna da ngadéngé nu ceurik di gunung. Padahal mah mun heueuh éta arwah Nyi Sumi hég disampurnakeun atuh nya. Karunya….." Mang Jumad milu mairan. "Tapi bener lamun éta nu ceurik arwah Nyi Sumi? Kapan maotna gé di pabrik, lain di luhur gunung. Naha marakayanganana jadi di luhur gunung teu di pabrik kitu?" "Wallohualam….tapi kapan karesep Nyi Sumi ulin ka luhur gunung lamun pareng peré tina gawéna. Jadi meuruen asa nineung ninggalkeun tempat paniisanana…. atawa méré tangara ka kulawargana yén manéhna hayang dipangmaleskeun dengdem ka nu maténi inyana….." Jang Daus nyarita bari pepeta. "Ah, sia! Kawas nu heueuh waé. Béjana méméh maot mah sia kungsi naksir Nyi Sumi, lin?" Jang Mahmud jeung Mang Jumad pating belengéh seuri. "Baé atuh, geulis ieuh…hanjakal kaburu teu aya." "Tuh téang luhur gunung, pasti geulis pisan. Da kukuna panjang, buukna panjang, huntuna panjang. Ha ha ha ha…." Jang Otong ngabarakatak seuri pon kitu nu aya didinya. Jang Daus jamedud bari teu ngomong sakemék. "Meugeus, Jang…. geura ka carai! Takol bedugna urang sholat isya berjamaah," Ustad Manglé 2449
  21. 21. Amin ngagebés. Riungan langsung bubar, aya nu muru ka tempat wudu, sawaréh ukur ngajanteng di téras masjid bari heureuy deui jeung babaturanana. Mang Hadma jeung Bi Titin, indung bapana Nyi Sumi. Kacida nalangsaeunana mireungeuh béja nu nerekab di sakuliah lembur. Duanana teu nyangka lamun maotna Nyi Sumi rék jadi piomongeun jalma salembur. Mang Hadma jeung Bi Titin kurang yakin lamun éta nu ceurik di luhur gunung arwah Nyi Sumi anakna. Asa teu mungkin. Ceuk pikir maranéhana. Nyi Sumi dipulasara sakumaha mistina naha maké kudu marakayangan? Beurang-beurang deuih. Enya, Nyi Sumi resep ulin ka luhur gunung. Wajar, kapan kebonna aya di luhur gunung. Nyi Sumi sok rajeun milu ka Bi Titin mun pareng indit ka luhur gunung. Refreshing omongna. Pédah tetempoan ti luhur gunung ka handap kacida waasna. Plungplong satungtung deuleu ngémploh héjo ku tutuwuhan jeung pelak palawija. Mémang waas. Mang Hadma ngarénghap jero naker, miceun bangbaluh nu karasa kacida beuratna. "Kunaon Kang? Aya béja teu ngeunah deui ti luar?" Bi Titin nyampeurkeun salakina bari mairan cai kopi sagelas. Sok diteundeun dina méja hareupeun Mang Hadma. "Akang panasaran, Tin… naha enya béja urang lembur téh kitu? Akang hayang ngayakinkeun. Karunya Si Nyai. Maénya sina kitu waé. Bisi enya omongan jalma réa téh. Urang tarékahan ka Mama Badrudin di Lembur Tonggoh," ngarérét Bi Titin nu kalah ngahuleng ngalilimba nahan kasedih. "Kumaha, Manéhna?!" Mang Hadma satengah ngagebés. "Nya, Kang. Abdi gé panasaran hanyang ngabuktikeun. Naha enya omongan jalma réa téh yén arwah si Nyai marakayangan? Sakalian ajak Mama Ajengan Badrudinna ka luhur gunung. Dina enyana bisa langsung Manglé 2449 disampurnakeun…" Mang Hadma unggeuk. Duanana patinghareneng teu ngomong sakemék. Anteng dina lamunan masing-masing. *** Gunung Béntang, kitu katelahna. Puncakna munclut katémbong éndah mun ditingali dina wanci beurang. Héjo linduk bangun nu iuh. Mémang kitu dina kanyataanana. Puncak Gunung Béntang matak pikabetaheun. Plungplong ka ditu-ka dieu. Awas satungtung deuleu matak betah nu niis. Tapi sanggeus béja arwah Nyi Sumi marakayangan jarang nu ngalanto ka luhur gunung. Nu sakalieun butuh suluh gé cukup kurah-koréh di handap mulungan pangpung albiso bakat ku sieun. Nini Warsih nu katelah ludeungan gé teu daekeun ngulampreng ka dinya. Peuting jempling réhé combrék. Ukur sora gaang jeung jangkrik patémbalan. Ti kajauhan sora hingkik tambah mapaés simpéna jalan satapak ka luhur gunung. Ambekan patingharégak bakat ku capé. Ti lembur ka luhur gunung téh lain lalampahan sakeudeung, butuh waktu rada lila. Acan nanjakna matak eungap kana dada. Komo deui nu nanjakna geus kolot modél Mama ajengan Badrudin ti lebur tonggoh mah matak pikarunyaeun. Tapi da kajurung ku hayang nulung ka keluarga Mang Hadma. Mama Badrudin ngersakeun nanjak ka luhur gunung. Dibaturan ku Pa Kuwu sareng Pa Amil, pon kitu deui Pa RT Sukanta jeung Kulisi Desa. Léngkah Mama Ajengan Badrudin kandeg, pananganana diacungkeun nitah eureun ka abringan. Saréréa ngeureunkeun léngkahna. "Aya naon cenah, uy. Maké eureun sagala? Geus kapanggih arwah Nyi Sumina?" Jang Otong ngaharéwos ka Jang Wandi hareupeunana. "Enggeus, tah nangkod na tonggong manéh…!” "Hihh, nanaon téh urang sieun yeuh…." Ngeleper nyekel leungeun Jang Wandi tarik pisan. Jang Wandi teu wudu ngagurubug nyerieun. "Ulah pacekel-cekel geura, Tong. Engké urang disangka bobogohan geura ku batur," Jang Wandi Ngaharéwos. "Heueuh da urang sieun, Wan," Jang Otong keukeuh nangkod dina tonggong Jang Wandi. "Ari sieun mah padahal tong ngilu atuh! Cicing wé di imah…." Jang Wandi maido. "Héh, meugeus tong cékcok waé, gandéng!!" Pa RT ngagebés. Duanana caricing. Sakabéh panon manco ka hareup, neuteup ka palebah luhur gunung. Ceuli nu hadir di dinya ngadak-ngadak rancung pas hawar-hawar kadéngé sora ngahinghing ti luhur gunung. Jelas pisan, sora nu ceurik. Awéwé. "Hayu Jang Kuwu urang ngeureuyeuh, saha atuh cenah nu lewéh wayah di luhur gunung," Mama Ajengan Badrudin imut. Saréréa ngabring deui nuturkeun léngkah Mama Ajengan. Léngkah diatur da bisi ngagareuwahkeun nu keur ceurik. Taya nu ngomong sakemék ukur sora ambekan nahan kacapé balas nanjak. Palebah rungkun sadagori, léngkah Mama Ajengan ngarandeg deui. Socana anteb ka payun ka palebah saung kebon di puncak gunung. Ku saréréa katingali. Aya awéwé diuk di saung bari ceurik, éta awéwé nukangan nu naringali. Buukna ngarumbay nutupan imbitna. Jang otong beuki tarik nyekelan leungeun Jang Wandi. Sukuna ngaleleper bakat ku sieun pon kitu deui jeung Pulisi Desa nu kakocap leumpeuh yuni. Sénter nu dicekelna nepi ka ragrag, manéhna ngagubrag teu inget di bumi alam. Gancang diamankeun ku Juru Tulis Desa digolérkeun di sisi. Mama Ajengan jeung Pa Kuwu lalaunan nyampeurkeun nu ceurik. Nu séjénna ngajaranteng tukangeun rungkun sadagori bari singcarileung néangan pilumpateun bisi jurig nu ceurik ngamuk. Nu ceurik beuki atra. Sada ceurik jelema. Mama Ajengan Badrudin ngagerentes dina manahna. Nu ceurik disampeurkeun jeung disidik-sidik. "Aéh, Nyi Titing geuning? Keur naon Nyai ceurik di dieu?" Mama Ajengan mencrong ka nu keur kanyenyerian. "Salaki abdi, Mama. Ngamuk. Abdi disiksa deui," Nyi Titing némbalan di sela ceurikna. "Naha atuh bet ceurik di dieu, Nyai?" Pa Kuwu mairan. "Abdi geus teu kuat, Pa Kuwu. Lamun abdi ceurik di lembur matak guyur tatangga. Salaki abdi téh kawin deui. Lamun abdi nanyakeun hal éta ka salaki, manéhna langsung nyorongot bari sok tuluy nyiksa. Komo deui tadi peuting salaki abdi datang bari mawa nu ngora, ngéndong di imah abdi," Nyi Titing ceurik deui bari inghak-inghakan. "Jadi nu sok ceurik di luhur gunung téh Nyai?" Mama Ajengan neuteup. Nyi Titing unggeuk. Saréréa carolohok mata simeuteun. Taya nu nyangka sacongo buuk lamun nu ceurik téh jelema enyaan. Paroman Mang Hadma katémbong béar marahmay. Haténa guligah. Manéhna asa leupas tina kabeungbeurat. Nyi Sumi teu marakayangan sakumaha ceuk carita batur salembur. Nu ceurik luhur gunung lain Nyi Sumi, tapi Nyi Titing. Tukang loték nu sok dagang di péngkolan, pamajikan Mang Kosasih urang Sarakan. Balik ti luhur gunung sajajalan galécok. Nyi Titing milu balik bareng jeung abringan. Pa Kuwu, Pa Amil, katut Pa Ulis sadia deuk mantuan masalah Nyi Titing jeung salakina. Palebah suku gunung urang lembur nu séjén geus ngaliud harayang nyahoeun hasil ti luhur gunung. Maranéhna silih tanya jeung pada baturna. Jang Otong jeung Jang Wandi beak dironom ku ibu-ibu jeung nini-nini. Ditanya ieu jeung itu. Saréréa ménta dihampura ka Mang Hadma jeung pamajikanana. Rumasa geus salah sangka *** 21
  22. 22. Bisma Perlaya Carpon Maman T i saprak ningali Srikandi mucunghul ogé Bisma geus teu puguh rasa. Asa jararauh panineungan. Paciweuhna nu keur perang campuh geus teu lucu deui keur manéhna mah. “Geus nepi kana titis tulisna. Nyawa aing semet ka poé ieu,” kitu gerentesna. Lain gimir ku musuh. Da ongkoh teu boga musuh. Pan nu diperangan téh lain si itu lain si éta, tapi incu-incuna kénéh. Pandawa lima, putraputra Pandu. Enya, kasebat incu-incuna kénéh. Lain, lain gimir ku musuh. Salaput umurna teu weléh kebek ku kasaktén. Hamo aya nu ngéléhkeun. Prajurit sabataliyon onaman, pérén ukur ku jamparing sasiki. Pan basa ngarebut tilu putri Raja Kasindra --Amba, Ambika, jeung Ambalika— teu aya nu mangga pulia. Sasat keur disaémbarakeun tilu putri geulis téh. Sing saha nu bisa ngéléhkeun putra kembar Kasindra: nyaéta Harumuka jeung Wahmuka, nya inyana nu bakal jadi salaki Amba, Ambika, jeung Ambalika. Ningali Biswa ngiwat, ukur semet gogodeg para raja nu keur giliran tarung ngayonan kadigjayaan Harumuka jeung Wahmuka téh. Kalebet Harumuka-Wah- 22 mukana ku anjeun, ukur semet kekerot nahan amarah. Asa dibongohan cenah. Tapi kituna téh teu bisa walakaya, da Bisma kasohor taya tanding. Musuh téh kuméok méméh dipacok. Lain, lain sebér ku wawanén. Sabaraha héséna mérénan Srikandi, kasebut pangawak awéwé. Piraku teu éléh ku dilempag tumbak tumpul. Tapi nya kitu, dina pangperangan pan puguh aturanana. Teu kaci perang jeung musuh nu geus ménta ampun, teu kaci perang jeung musuh nu geus béakeun pakarang, teu kaci perang jeung barudak. Kaasup teu kaci perang jeung awéwé. Ras inget kana kajadian poé kamari, waktu perang geus nincak poé kasalapan. Putra Pandu, Pandawa Lima --Yudhistira, Bima, Arjuna, katut sakembaran Nakula Sadéwa; dijejegan Sri Batara Kresna-ngahaja nepangan anjeunna di kémah pangperangan, di tegal Kurusétra. “Aya hibar, Kresna, kumaha damang?” “Pangésto, Gusti Prabu. Sawangsulna kumaha?” Kresna malik ngarampés. “Sugema manah kami téh, Kresna. Aya asih Hyang Widi. Ngan kasedih mah hamo bisa disumput-sumput. Nyéta kula téh ku teu bisa nyingkahan ieu perang. Kahayang mah Duryodana téh masrahkeun Indraprahasta ka Pandawa, da nu hakna. Moal meureun nepi ka perang duduluran kawas kieu.” “Nya kitu téa, panginten. Tos diatur ku titis tulis, da sanés kahayang urang. Tos diatur jeung diperenahkeun ku para déwa di kahiyangan. Perang Baratayuda kedah baé dilaksanakaeun.” “Heueuh, meureun ku kitu téa mah.” “Eyang, sembah kapihatur ti ingkang putu. Damang, Eyang?” Yudhistira bari rada ngésod calikna, tawis ajrih ka nu janten aki.” “Aya berkah, incuing. Calageur di Amarta?” Bisma. “Ginulur rahayu, Eyang. Teu kirang itu sinareng ieu. Nya pelebah béja pajabat korupsi mah aya baé, Eyang. Malah kabéjakeun, pupuhu mahkamah konstitusi, saurna téh kacerek ku kapéka, pédah kapendak narima suap.” “Heueuh, keun waé. Masih kénéh perlu ku duit meureun mana kitu ogé. Teu siga Eyang, geus teu butuh ku naon-naon.” “Asa ku rareuwas, Eyang téh. Aya naon, anaking jimat awaking?” Bisma gancang tumaros kana poko soal. “Numawi, Eyang. Ti pihak Pandawa tos rébuan prajurit nemahan pati. Para pahlawan papada gugur di médan laga. Teu aya sanés alatanna mah, ku teu mampuh téa nandangan panarajang Eyang. Dikumaha-kumaha ogé abdi téh hoyong kénging, Eyang. Jalaran kitu, kumaha carana sangkan abdi sadaya, Pandawa, tiasa nelasan Eyang. Tiasa meruhkeun kasaktén Eyang?” Yudistira, ajrih nakeran. “Deudeuh teuing, anaking. Keun diduakeun ku Eyang, sing kasinugrahaan. Sing aya di pihak nu meunang. Anapon Eyang, satungtung Eyang kumalip di alam dunya, hamo aya nu ngéléhkeun. Geus disupata ku ingkang rama, ku buyut hidep téa, Prabu Santanu, nu ngawasa Astina mangsa harita. Saurna téh, ‘Bisma, anjeun kacida pisan bumélana ka nagara jeung ka nu jadi bapa. Ku hal éta, heug didu’akeun kalayan saksina bumi jeung langit, hidep bakal hirup satungtung hidep masih kénéh hayang hirup. Kajaba lamun hidep geus bosen hirup, nya hidep bakal nemahan pati.” “Aduh, Eyang. Pisakumahaeun teuing atuh, Pandawa téh baris palastra sadayana, da moal kiat nandangan panarajang Eyang.” “Ngan ulah salempang, anaking, incu Eyang. Duka isuk duka pagéto, Eyang baris nemahan pati. Lain ku teu bisa ngalawan hidep, tapi Eyang geus bosen hirup. Atuh dina pangperangan, gampang kacida ngéléhkeun Eyang mah. Eyang moal merangan lalaki nu lemor teu mekel pakarang, moal merangan tamtama nu geus leungiteun kuda tungganganana, moal merangan prajurit nu kebek ku kasieun, tur moal merangan awéwé.” “Nuhun, Eyang.” “Tah, geus ditulis dina guratan nasib. Lamun pihak hidep geus ngaluarkeun Srikandi, nu katitisan sukma Dewi Amba, Eyang moal ngalawan. Nya manéhna nu baris mungkas umur Eyang,” kitu kasauran Resi Bisma, hiji pinisepuh nu bijaksana taya tanding, sesepuh Kurawa-Pandawa. Bisma, Putra Prabu Santanu ti Dewi Gangga, dewi ti Manglé 2449
  23. 23. kahiyangan. Bisma, hirupna ukur ditandonkeun keur kapentingan nagara katut bangsa Astina. Nu mahing dirina sapatemon jeung awéwé. Matak Saumur hirupna Bisma mah teu kungsi nikah. “Yaktos, Eyang. Badé diestokeun pisan naséhat ti Eyang,” “Heueuh, jung geura atur deui barisan. Sadiakeun gondéwa jeung jamparingna. Bisi kurang kénéh, heug nyandak perlengkapan perang ti Astina. Dina henteuna, atuh kantun pesen baé senjata-senjata buatan PT Pindad ti Bandung. Brén jeung granat ulah kaliwat. Kapal téngker, pesawat tempur, téng waja, mariem, sadiakeun. Ulah poho maké jurus perang kalajengking, ngarah musuh katétér meueusan,” kitu kasauran Bisma. Teu aya sanés nu dipayunan téh nya incu-incuna, nya nu jadi musuhna. Perang Baratayuda téa, perang sadulur. Ayeuna, incuna-incuna ti pihak Pandawa geus maju ka médan jurit, nandonkeun jiwa katut raga demi ngabéla bangsa katut nagara, demi ngajalankeun kasatriaan. Atuh dirina ku anjeun, aya di pihak Kurawa, sarua ngabélaan lemah cai, bangsa katut nagara Astina. Ngaran-ngaranan perang, teu ningali dulur teu ningali anak, teu ningali incu, sapanjang aya di pihak lawan, wayahna kedah ditempatkeun minangka musuh nu kudu ditelasan. Nya kitu harita ogé. Harita téh nincak poé kasapuluh. Tapi barang ningali Srikandi geus dikapayunkeun nyarengan Arjuna, Bisma dumadak ilang sumanget. Jamparing dicabut deui tina gondéwana. Granat diasupkeun deui kana saku. Péstol, brén, kalebet téng waja nu jadi tutumpakanana, disina ngaso keur geusan reureuh. Ningali pameunteu Srikandi, ras inget deui kana lalampahan bihari sakitu puluh taun ka tukang. Harita téh, satutas ngiwat tilu putri téa –Amba, Ambika, jeung Ambalika— keur tikahkeuneun ka nu jadi adina, Prabu Wicitrawirya, ngalaman kajadian ahéng nu matak maruringkak bulu punduk. Nepi ka Karaton Manglé 2449 Astina, salah saurang tina tilu putri téa, nyaéta Amba, unjukan ka dirina. “Kakang Bisma, punten aya picarioseun sakedap,” kitu galindengna Amba harita. “Aya naon geulis? Peryogi wedak Nyai téh? Keun urang mésér di alfamart baé payuneun pom béngsin.” “Sanés, Kakang. Tapi aya rahasia nu kedah dikedalkeun ka Sampéan.” “Nya sok atuh carioskeun.” “Kaula téh saleresna tos gaduh papacangan, nyaéta Prabu Salwa. Antara kaula sareng anjeunna tos silih asih, silih pikageugeut. Tos tukeur cingcin malah. Sok pesbukan wé jeung anjeunna téh. Tos ngedal ai lap yu ai lapyuan. Kitu manawi, Kakang.” “Salajengna kumaha atuh kapalay Nyai téh?” “Nya nuhunkeun diuihkeun deui wé ka Prabu Salwa,” “Nya ari kitu onaman, heug téh teuing ku Kakang diidinan mulang.” Lajeng bae Dewi Amba dijajapkeun deui. Ngarah gagancangan, teu kudu tumpak délman, tumpak sujuki értiga wé, disupiran ku supir karajaan Astina. Ngan hanjakal, Prabu Salwa horéng nampik sapajodogan. “Teu hayang teuing kawin ka awewe nu geus diiwat ku batur. Kaula mah geus boga Sahrini, Saskia Gotik, Agnes Monica, Miyabi, Lenka. Ngan teu kaasup anjeun. Jung geura balik deui ka si Bisma,” kitu saur Radén Prabu Salwa. Amba ukur bisa nyurucudkeun cipanon. Lajeng muru kana sujuki ertiga nu bieu ditumpakanana. Ménta dianteur deui ka Bisma. “Kakang Bisma, cilaka, Kakang,” Amba. “Aya naon deui, Nyai,” Bisma. “Salwa nolak sapajodogan.” “Kutan?” “Ayeuna mah, wayahna, da nu ngiwat abdi téh Akang. Abdi réla dipihukum ku Akang.” “Ké, ké, ké. Kumaha mimitina ieu téh?” “Muhun, abdi téh ditolak sapajodogan ku Prabu Salwa. Ayeuna mah nyanggakeun baé ka Akang, geura kawin ieu abdi. Da nu malingna ogé Akang.” “Aduh, Nyai. Lain nolak kana kahayang hidep. Geulis enyaan geulis hidep téh, awak sampulur, lambey ambucuy, angkeut badis endog sapotong, taar téja mentrangan, pameunteu ngadaun seureuh, matak kumerot kaom lalaki, boh lalaki handapeun méja, éh, handapeun umur, boh lalaki nu nyedek ka aki-aki. Tapi Akang téh geus susumpahan Nyai, moal ngalaman kawin. Hirup akang diabdikeun keur ngabélaan dulur jeung pinisepuh Astina, hirup Akang geus ditandonkeun keur kapentingan nagara Astina.” “Matak naon mun Akang kawin sareng abdi. Tuluy boga turunan. Pan meureun turunan urang bakal neruskeun karajaan.” “Teu bisa, Nyai, éta mah hakna Prabu Wicitrawirya, adi Akang.” “Lah, keun baé atuh. Mun teu palay gaduh turunan, matak naon maké alat kontrasépsi. Maké ayudi, atawa spiral. Nu penting Akang nikah sareng abdi.” Tungtungna keukeuh nu hayang dikawin, keukeuh nu embung ngawin. Ningali kaayaan kadesek samodél kitu, kapaksa Bisma ngamang-ngamang pakarang. “Mun Nyai keukeuh hayang dikawin ku Akang, nya ieu jamparing nu baris nembus jajantung Nyai,” pindel Bisma bari mesat jamparing tina tali gondéwana. “Mangga, Akang. Abdi rela ditandasa.” Lir wendah. Jagat gonjang ganjing. Bumi meneng langit meneng. Pepetétan samia murag. Kacarios, Bisma kalepasan. Jamparing nu niatna ukur dipaké nyingsieunan téh ngadon melesat, nanceb pisan kana jajantung Amba. “Tobaaaat, Gusti. Hampura, Nyai, teu dihaja. Lain niat Kula nandasa,” Bisma ngagoak banget ku reuwas. “Aduh, Kakang Bisma. Ku tega sampean,” Amba bari muringis nahan kanyeri. Dadana katiir jamparing. Bisma gancang ngarangkul Amba. “Nyai, hampura Akang.” “Heug dihampura ku kaula, Kang. Tapi ulah sambat kaniaya, sukma kaula bakal nyurup ka hiji wanoja dina mangsa kapayun, kalayan bakal males pati ka Sampéan. ” Tutas nyarios kitu, les baé Amba ngaleupaskeun nyawa, maot pisebateunana. Kiwari, dina poéan kasapuluh perang Baratayuda, Bisma ngaraoskeun, enyaan sukma Amba nitis ka hiji wanoja Srikandi, putra Raja Drupada, raja nagara Pancala. Srikandi, rayina Drupadi. Kalayan dina perang Baratayuda, Srikandi biluk ka Pandawa, ngiringan merangan Kurawa. Nya ayeuna pisan Srikandi maju jurit jadi satria, sasarengan sareng putra-putra Pandawa, utamina sareng Arjuna. “Serang itu Eyang Bisma, Nyai. Tong asa-asa,” Arjuna ngagorowok méré sumanget. Dionconan kitu komo teuing. Dalah ku teu dihayohhayoh sina nyerang oge, Srikandi geus taki-taki rék narajang musuh. Katingali Eyang Bisma molohok ngembang kadu. Teu daék mentangkeun jamparing-jamparing acan. Harianeun kana kudu narajang. Ngajeten wé. Dina waktos saperti kitu, gancang Srikandi narik jamparing. Ser, belesat sapuluh jamaring mesat sakaligus. Saharita sapuluh jamparing neueul pisan kana jajantung Bisma. Geus nepi kana titis tulisna, Bima kudu kasambut di pangperangan ku panarajang Srikandi. Dina dadana baloboran getih. Bisma rubuh. Bisma nyuuh. Bisma perlaya. Hiji deui pahlawan Astina gugur di médan laga, di tegal Kurusétra.*** Maman, M.Pd., guru basa Indonesia SMAN 1 Kadugedé Kab. Kuningan, ogé minangka Ketua MGMP Bahasa Indonesia se-Kabupaten Kuningan, ogé minangka mahasiswa Pascasarjana Prodi Bahasa Indonesia Unswagati Cirebon, ogé minangka carponis, boh cerpén basa Indononésia boh carpon basa Sunda 23
  24. 24. Nu Ngajak Nyakeudeung di Tegalheureut Ku Féndy Sy. Citrawarga A bong bulan kolot nu jarajan mani sepi. Teu cara bulan ngora matak mecak ngaladangan bari pakupis narima duit. Kétang, kangaranan balantik leutik mah teu bulan kolot teu bulan ngora teu bisa diandelkeun. Paingan padahayang jadi kaom gajih nu mirasa kabina-bina, gajih geus diancokeun, dumuk sakitu sakituna. Encan tunjangan ituh inih. Angot jadi pagawé nagri mah apan sakalina daptar téh mani sok ngantay. Da éta anti bangkrut, jaba jaga boga pangsiunan. Geura ieuh kopi, cacak tas hujan ngagebrét bari hawa peuting sakieu nyecepna, ih na da taya nu nanyakeunnanyakeun acan. Pantesna, hawa kieu mah nu mareuli kopi tinyuh téh napuk. Terus arudud, ceuk saha teu mirasa. Emh, dasar nanasiban kudu nyorang apruk-aprukan ngasong. Aéh kétang alhamdulillah dipaparin kaséhatan ku Gusti, bisa kénéh kasab néangan sahuap sakopeun keur ngabayuan anak mitoha jeung anak kuring. Da cacak gering mah tong boro ngapruk leuleumpangan balangsiar, ngararasakeun kasakit ogé matak ripuh. Leuheung basa aya waragad keur uubar boga harepan walagri deui narajang keur suwung? Matak gering rangkepan, nya awak nya pikiran. "Semangat dong!" Dumadak aya komando jero dada. Giwiwing kotak roko 24 disangkéh deui. Ceg kana térmos paragi ninyuh kopi. Laju leumpang ngurilingan Taman Tegallega. Hawa peuting beuki nyecep. Nu arulin geus coréncang najan angkot ngalong mah teu burung tingsoloyong najan panumpangna kosong. Wayah kieu, kira tabuh hiji janari leutik jalan di Bandung suwung ku patalimarga, teu cara beurang nu heurin usik, macét di mana-mana. "Ko!" Reg angkot eureun. "Ko naon?" cékéng. "Roko nu pangmahalna sabarahaan?" "Dua rébu lima ratus dua." "Mahal-mahal teuing?" "Harega ti dituna gé mahal." Song supir méré duit. Sok roko nu dipesenna. Ongkoh mahal, angger dibeuli. Cacak kuring mah moal kabedag. Dagang roko mémang modal gedé bati leutik, ari harega pameulian naék unggal usik. Mun meunang nawar mah cékéng gé hayang jadi pangusaha jugala. Orokaya apan nasib jelema téh teu sarua, aya nu rejekina mucekil aya nu sarwa kakurangan. Laju neruskeun léngkah. Dampal suku jejeletitan, kadang-kadang ditéma ku keram mani sok matak pupuringisan. Enya, balas hayoh teuing leuleumpangan bari mawa dagangan. Abong umur geus ngagayuh ka lansia. Tapi saenyana mah ngahaja dagang ngasong bari leuleumpangan téh. Tinimbang ngampar lapak na tro- toar sok jadi omong batur. Kaduana itung-itung gerak awak da cenah gerak awak pangalusna téh leuleumpangan. Mudah-mudahan enya kitu. Anjog ka lawang Taman Tegallega beulah wétan, Jalan Moch. Toha. Gék diuk na témbok. Caranéom. Kakayon nu jarangkung maturan simpéna peuting. Nu lalar liwat enyaan suwung. Beh kalér haseup ngelun, hansip keur ngadurukan. Baréto mah, enya basa Tegallega dikuah awéwé baong, nu arulin teu eureuneureun. Cenah mah ceuk Kang Doel nu ngaradon ngurek. Kiwari, coréncang awéwé nu arulin téh da puguh di jero taman teu meunang dipaké arulin. Katurugturug razia gé geus rotin, malah lain waé ku aparat nu sakuduna nartibkeun, ormas gé ngilu ngabuburak. Kilang kitu aya nu maksa, nékad ngadagangkeun awak masing kudu diuudag atawa susulumputan ogé. Da cenah kikituan téh kadongsok kabutuh hirup. Teuing enya teuing ukur alesan. Nu sidik bari ngarasakeun kacapé urut leuleumpangan, dak dumadak tunduh nataku. Padahal maksud mah rék terus ka Kebonkalapa. Teu beunang dibentét-bentét sina molotot panon téh, cepel kacida, nepi ka asa teu éling. Keur kitu, selengseng seungit minyak mani segak. Enya, minyak birahi nu sok dipaké awéwé. Teu salah, teuing ti mana jolna langgéor aya awéwé bahénol nyampeurkeun. Pakéanana sarwa séksi. Leumpang gutak-gitek, ngondang birahi lalaki leumpeuh yuni. "Maréma Mang?" cenah, gelenyu imut. "Sepi," témbal téh bari ngised da si bahénol gék diuk gigireun tangka rapet. Aambeuan beuki segak. Anéhna bulu punduk karasa cengkat da éta nu kaambeu téh jadi rupa-rupa. Sakapeung kaambeu seungit pangondang birahi, kalankalan kaambeu minyak paragi mayit, sakapeung deui kaambeu nu teu pararuguh siga bau jarian nu matak murel peujit. Nénjo galagat kitu mah kuring saged rék lumpat. Ukur karep da ieu suku asa dipaku, cungcurungan asa dirapet kana témbok. Bati cimekblek. "Rék ka mana ari emang? Anggur hayu urang éta!" Rerenghos ditompokeun kana ceuli. "Éta naon?" "Lah. Ipa-ipa teu beuki. Hihihi......!" Nurustunjung bari léléndot, ditungtungan nyikikik. Dikitu-kitu teuing mah puguh baé inget ka Wa Képoh...sernud cenah. "Geura yu!" maksa. Hawa nu beuki nyecep bet ngahudang rasa séjén, jeroeun dada aya nu nguntabnguntab, surser, paranas tiris, perbawa leungeun palid si bahénol. "Teu boga keur mayarna!" Tokblak baé ka nu ngajak nyakeudeung téh nyarita teu Manglé 2449

×