MSWA - Mangle 2446

3,224 views

Published on

MSWA - Mangle 2446

  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

MSWA - Mangle 2446

  1. 1. Nganti Kasoléhan Sabada Kurban I dul adha sok disebut ogé idul kurban, lantaran dina poé éta disunahkeun meuncit héwan kurban. Tujuanana, lian ti taqorrub (deukeut) ka Gusti Alloh (habluminalloh), ogé geusan nanjeurna kasoléhan ka papada jalma (habluminannas). Nurutkeun hukum syar’i udhiyah mah teu aya robahna. Saban taun, cara jeung héwan naon baé apanan henteu robah. Sedengkeun nu kudu robahna mah nyaéta hikmahna, diantarana ngukur kamampuh umat dina ningkatkeun kasoléhan sosialna. Kasoléhan tangtu datangna kudu ti pribadi-pribadina. Kituna téh luyu ogé jeung kurban nu kalebet ibadah nafsiah téa. Anapon kitu, saréngséna ibadah kurban kadituna mah tangtu nu dianti-anti téh kasoléhan téa. Para Mitra Manglé, Upama hiji jalma geus daék ngalaksanakeun kurban luyu jeung kamampuhanana, tangtu kaasup jalma nu mampuh ngalaksanakeun saréat jeung geus daék ‘ngaleupaskeun’ hakna demi ngalaksanakeun kawajibanana. Aya teuleumaneun satukangeun daékna kurban; aya surahaneun satukangeun daékna ngalaksanakeun aturan. Kurban nu sarimbag jeung kecap ‘korban’, butuh kaléahan haté dina ngalaksanakeunana. Da, hartina gé daék korban téh, tangtu daék ‘rugi materi’, demi kasenangan jeung kamaslahatan pihak séjén nu bagéan tina kasoléhan téa. Pangorbanan, bisa rupa-rupa. Harta, tanaga, jeung pikiran. Nu boga harta bisa ngorbankeun hartana, nu gedé tanaga bisa ngorbankeun tanagana, kitu deui nu boga élmu jeung pangaweruh bisa korban ku élmuna. Pangorbanan, moal leupas tina ‘ukuran’ ajén-inajén manusa. Atuh, upama pangorbanan dipapandékeun kana ngaleupaskeun sabagian hak-hak pribadi, hartina ogé nu daék korban mah, daék mikeun hak pribadina. Ka dituna, mun dirina geus daék ngaleupaskeun (sabagian) hak pribadina, hartina ogé moal daék ngarebut hak-hak nu lian. Cindekna, kasadaran daék korban, bakal jadi pamager dirina tina paripolah nu baris ngarampas hak-hak pihak séjén. Margi kitu, tangtuna waé sabada kurban, pasipatan-pasipatan jalma nu daék kurban demi nanjeurkeun kasoléhan kacida dianti-antina. *** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 20 Perang Potret 5 TAMU Mang Iding jeung baturna tiluan, keur husu masang-masang spanduk nu dipakukeun kana tangkal mahoni sisi jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung deuleu. Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang... Drs. Adang Muhammad Tsaury , M.Pd.I; Neruskeun Tapak Lacak, Ngokolakeun Atikan Islam LAPORAN Ngajaga Lembur Nguatan Kamandirian Rahayat ........... 8 SAJAK Élégi Ari Andriansyah .............................. 12 Lagu Parongpong Arom Hidayat ................................. 23 PURIDING PURINGKAK Potret : Reisyan Neang Paraji Rian D Firdaus ............................... 24 S ­ ekar­Manglé SYARAH Panata Rias&Raksukan: HOUSE OF DO’I KEBAYA Jl. PHH. MUSTOPA NO. 96 CP : 082115276504 – 087825674908 PIN BB . 28F17AD4 BAHASAN Basa Sunda di Peuntaseun Cipamali Distam ............................................ 42 Nu Moal Hilap: Pitulung Allah Swt Waktu Tawaf H. Mohamad Surya ......................... 48 Awéwé Anton Chekhov ................................... 22 Handphone Hikmat Nugraha ................................... 26 Mayit Luhureun Kuburan MamanRachman ................................. 30 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG IMPLIK-IMPLIK Domba Mini Ti Pangabenan ka Galeri ................. 46 CARITA PONDOK Helli in Memoriam Rizky Prasasti Anwari ....................... 20 Carita Sarebu Samalem (177) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (16) M.A. Salmun ............................................................. 12
  3. 3. Teu Jujur D ina taun 2012-2013 kanyahoan aya 400 perguruan tinggi swasta anu teu jujur. Kanyahoanana téh dina prosés sértifikasi dosen, boh dina malsu dokumén boh plagiat jurnal ilmiah. Éta katerangan téh ditétélakeun ku Supriadi Rustad, Direktur Pendidik dan Tenaga Kependidikan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. Jadi, resmi pisan. Ari anu ngaranna lembaga pendidikan, nya taya deui tugas utamana téh iwal ti ngadidik. Hartina ngajalankeun prosés pendidikan, ti mimiti tingkat anu panghandapna nepi ka tingkat anu pangluhurna. Ari anu kudu ditepikeun salila lumangsungna prosés pendidikan, nya taya deui iwal ti anu balener. Ari anu bener téh perenahna pagigir-gigir jeung anu jalujur. Ari ayeuna kanyahoan lembaga pendidikan tinggi téh teu jujur. Hartina nya teu bener téa. Cenah éta anu kanyahoan teu jujur téh lembaga pendidikan tinggi, lain hartina lembaga pendidikan anu aya di sahandapeunana jalujur. Ku tina sakitu gé geus aya kelemengna, naon sababna kaayaan urang jadi saperti kieu. Naon sababna pangna Akil Mochtar, Ketua Mahkamah Konstitusi, kacerek pisan keur narima suap. Naon sababna imah Wali Kota Tangerang Selatan pinuh ku mobil-mobil méwah. Naon sababna pangna Jendral (Pulisi) Djoko Susilo kacida beungharna. Padahal maranéhna téh lain jalma joré-joré. Pangkatna Manglé 2446 laluhur, atuh pendidikanana gé apan nepi ka tamat ti perguruan tinggi. Naha pangna nepi ka bisa kituna téh lantaran salila sarakola jeung kuliahna maranéhna kungsi diajar élmu ngeunaan korupsi jeung kumaha carana ngagasab duit nagara? Tangtu henteu persis kitu. Ngan lamun dina enggoning prosés lulusna téa maranéhna nepi ka dibélaan teu jujur téa, nya meujeuhna lamun ka dituna ogé moal bener. Guru-guru jaman béh ditu mah sok ngibaratkeunana téh basajaan pisan. Barudak anu mimiti arasup ka sakola téh cenah lir ibarat keretas anu bodas beresih. Salila di sakola maranéhna bakal diwarnaan ku guru-guruna. Ngawarnaanana nya ku rupa-rupa élmu. Ari rupaning élmu anu diajarkeun di sakola tangtu wé kabéhanana gé alus jeung bakal aya mangpaatna. Kitu soténan lamun prosésna ogé bener. Bener nu ngajarkeunana, bener nu dialajarna. Ari ceuk Direktur Pendidikan dan Tenaga Kependidikan Supriadi Rustad téa, aya 400 lembaga pendidi kan swasta anu teu jujur. Éta téh tina jumlah 3.000 perguruan tinggi swasta nu aya di Indo nésia. Hanjakal Bapa Direktur Pendidikan henteu nyebutkeun naha ari perguruan tinggi negri mah henteu kitu? Ari dosen apan tugas utamana téh ngajar. Lamun dirina sorangan geus teu jujur kumaha teuing atuh ka mahasiswana? Ieu téh masalah anu kacida serieusna. Ulah diantep. Kudu buru-buru kanyahoan naon anu jadi sababna. Lamun nilik kana nu kajadian ayeuna, anu jadi pangbibitana téh sértifikasi dosen. Tujuanana mah hadé sértifikasi guru jeung dosén téh. Pamaréntah nyadiakeun imbalan panghasilan ka sakur guru jeung dosén anu préstasina nyongcolang. Ari nyéléksina nya ku jalan sértifikasi téa. Ngan hanjakal, dina prakna mah nu ngaranna prosés sértifikasi téh henteu sakumaha anu dirarancang ti awalna. Lantaran sing saha anu geus lulus sértifikasi bakal meunang panghasilan anu leuwih gedé ti nu biasana, nya saréréa silih bantuan. Disebut saréréa téh lantaran loba anu kalibetna. Ti mimiti anu panghandapna nepi ka anu pangluhurna. Balukarna, nya prosés sértifikasi téh teu jujur téa. Geus kanyahoan ayeuna mah. Tinggal masalahna, naha rék diantep sina terus kitu atawa aya upaya-upaya pikeun ngeureunkeunana. Lain prosés sériifikasi anu dieureunkeunana téh. Ieu mah kudu aya tarékah anyar sangkan jujur jeung bener téa. Lebah dieu, teu mustahil bakal loba anu ngahuleng. Dina pajamanan anu saperti kieu, naha bakal bisa kénéh lamun aya anu bener jeung jujur? Kudu percaya, anu jujur jeung bener téh geus aya, ngan tacan loba. Nu matak éta anu tacan loba téh ku saréréa kudu dideudeul, dihatéan jeung dibéré kasempetan pikeun ngalalakon. AM 3
  4. 4. Sipat Siliélédan, Kamanakeun? Sampurasun! Bangsa Indonesia nu soméah hadé ka sémah, nu silihélédan, ngaluhurkeun siliharegaan, jigana méh sirna, kaléléd ku harakna hubuddunya. Balukarna pasipatan urang jiga nu leungit komara. Kasaksén pisan dina sagala widang. Dina widang politik mah geus karuhan, geus patulayah jalma-jalma nu tiap poé salin rupa jeung sipatna. Da, cenah ari dina politik mah, lamun teu licik moal genah. Beu! Meureunan jalma nu cicing dina politik, boa-boa jujur jeung amanah téh geus jadi musuh dirina. Upama bangsa geus kitu, ulah salah nu karieu téh bakal mawa pirus kana widang-widang séjénna. Ayeuna kasaksén aya béja nu leuwih parna, cenah pangmaceuhna nu ngalakukeun korupsi, nyaéta jalma-jalma nu cenah harayang ngurus agama di Departemen Agama. Ieu tangtu bahla! Rék kamana atuh bangsa urang diurusna. Pamaréntah deui nu disebut PNS, keur geunjleung, cenah raresep korupsi. Malah PNS ngora ogé, loba teu euleum-euleum némbongkeun pakayana, améh arapal ‘uing pangbeungharna’. Teu sadar maranéhna geus dipatok panghasilanana. PNS nu sasatna mung saukur ladén masarakat, geus tibalik hayang jadi juragan. Nya antukna baroga sipat kumawasa. Saha nu salah lamun geus panyakit ieu narajang ka unggal jalma? Aya deui keur di dunya 4 hiburan sepakbola. Bangsa urang deui-deui némbongkeun sipat embung siliélédan, embung siliharegaan. Nu aya silijongklokeun, silisalahkeun, ahirna masarakat moal deui paduli kana omongan pamingpin. Dualisme nu ngayakeun sepakbola di urang, hiji bukti, pamingpin resep ngaragragkeun urusan ahlak. Sakitu waé surat ti simkuring, mudah-mudahan hiji waktu tiasa disambung deui. Bah Wiratma Ti Sumedang Ajen Sunda di Sakola Nyi Mangle, sim kuring kataji ku ayana tarekah nitip Sunda di sakola, sabab Inggis basa Sunda lamun mah ilang kitu wae,katenan aya dukungan ti sang Gubernur mah ulah dimomorekeun ieu basa. Kumaha mun enya euweuh na, leungit lantaran dimomorekeun ku anu ngabogaanana. Jalaran kitu dukung sangkan di unggal sakola ngabogaan ciri wanci utamana sakolasakola anu aya disabudeureun Jawa Barat atawa di Priangan ieu, utamina dukungan ti pupuhu di Dinas Pendidikan katut Dinas Kabudayaan, ngahirupkeun, ngahuripkeun sagala rupa kamonesanana urang sunda jeung sajabana. Geus dimimitian ku ayeuna mah balita boh di kampung komo deui di kota mah budak dimimitian diajar ngomong bahasa Malayu, lain teu meunang sabatae disagigireun diajar basa urang sorangan, ngan leuwih hade tur merenah lamun basa Sunda diutamakeun komo basa deungeun mah anu di utamakeunana. Ah asa kacida, sok ngarasa agul ku payung butut pibasaeuna teh meureun. Sakali deui Simkuring satuju pisan kana kamandang Mangle nu teras ningkatkeun ajen Sunda, utamina di sakola. Wilujeng, salam kasadaya ki Sunda. Asep Edy Syafei Ti Purwakarta Tilas Daragang Hewan Kurban Assalamu’alaikum Wr. Wb. Ais Pangampih MANGLE nu dipihormat, punten ngiring ngintun nyerat, mugi kersa ngamuat. Sapertos taun-taun ka pengker, biasana pami mayunan kurban sok seueur tempat atanapi lokasi nu dijantenkeun tempat keur dagang domba. Aya nu dipayuneun masjid, aya nu di lapang, ogé payuneun kantor-kantor. Kantenan, upami taun kapungkur mah, usumna kurban biasana sok dina usum ngijih, usum hujan, ayeuna ogé sami. Tah, ningal tina taun-taun kapengker mah, nu daragang hewan kurban téh, tilasna téh sok kalalotor. Buktos Sok sanaos ieu mah musiman, saéna nu daragang hewan kurban kedah ngartos, malihan kedah aya nu ngatur, boh tingkat pamarentah kacamatan atanapi ti pihak RT atawa RW nu aya dilingkunganana. Upami nu dagang gaduh tempat maneuh tur teu ngaganggu ka tempat séjén, éta mah saé kacida. Sapertos nu aya di sapanjang jalan Bypass Soekarno Hatta. Tapi palebah nu dadakan pisan, payuneun masjid-masjid atawa kantor-kantor, rupina kedah aya nu ngatur aya nu merhatoskeun kabersihanana. Sakitu wae, mudahmudahan tiasa diperhatoskeun. Hapunten anu kasuhun. Wassalam Pa Dian Habib Ti Ujungberung Bandung Dunya Atikan Ieu mah, pameredih waé ka nu nyekel kalungguhan, masing bisa ngolah daérah. Masing ngamangpaatkeun paguron luhur nu udaganana ningkatkeun IPM Jawa Barat. Pédah wé IPM urang handap, meureunan nu palinter, nu raharja téh geus parindah deui ka propinsi séjén. Atawa nu palinter téh mung dina ukuran, pédah cicing di paguron luhur, élmuna henteu mangpaat keur masarakat sabudeureunana. Tangtu ieu pamadegan, moal bener sagemlengna. Upama waé salah, simkuring neda tawakufna. Ieu mah seja méré sumanget ka nu nyekel kalungguhan di tatar Jawa Barat. Sakitu, hatur nuhun sakali deui ka Ais Pangampih Manglé ku dimuatna seratan ieu. Wassalam. Syafrudin Ciledug Garut Manglé 2446
  5. 5. nepi ka kiwari ge tetep digedurkeun, ti mimiti palajaranana nepi ka tatacara make pakean jeung moral mahasiswa katut dosenna boga nuansa Islami. Samalah nu pangdiistimewakeun di Unisba mah lain ti kalangan selebritis tapi calon mahasiswa nu “Hafidz Qur’an, sing saha wae calon mahasiswa nu “Hafidz Qur’ an(katalar Qura’an 30 juz)” nu rek kuliah di Unisba, haratis teu kudu mayar nepi ka lulusna jadi Sarjana! Keur ngeceskeun sakabeh eta, Mangle ngahaja nepangan langsung ingkang putra sesepuh/panaratas Unisba KH.EZ Mutaqien (Suargi), Drs. Adang Muhammad Tsaury, M.Pd.I di kantorna, di Fakultas Tarbiyah Unisba Jalan Rangga Gading Kota Bandung. Kang Adang teh putra Pa Mutaqien nu ka tujuh (ti sawelas sadulur), Ibuna Diah Syamsiah (putrana Pa Samsudi nu dipake ngaran “Hadiah Samsudi” anu ti taun 1993 mayeng dipasrahkeun ku Yayasan Budaya Rancage ka pinunjul panulis bacaan barudak, biasana dibarengkeun jeung Hadiah Rancage, Samsudi ge nulis Sekar Pamekar jeung nulis lagu “nu kacida percisna” atawa memang dipake lagu kabangsaan Malaya. Samsudi teh tuang rakana Prof. Soemardja nu dijeun ngaran galeri seni di FSRD -ITB) pituin urang Pagarsih Bandung, Pa Mutaqien mah guru terah Leuwisari Singaparna-Tasikmalaya. Cek Kang Adang, Alhamdulillah memang bener cenah Unisba kiwari geus Drs. Adang Muhammad Tsaury , M.Pd.I; Neruskeun Tapak Lacak Ngokolakeun Atikan Islam U niversitas Islam Bandung (Unisba) kiwari ngajanggelek jadi paguron luhur Islam nu nyongcolang (elit) di Jawa Barat, kawantu universitas nu modern jeung di jerona aya fakultas-fakultas nu sipatna umum diantarana Hukum, MIPA, Psikologi, Fakultas Teknik, Ekonomi, Imu Komunikasi, jeung Kedokteran, unggal taun pada ngadeudeul ku caloncalon mahasiswa ti sakuliah Indonesia Manglé 2446 jeung luar negri, mahasiswana ge loba prestasina(diantarana tugas ahir mahasiswa Kedokteran jadi pinunjul di Jepang) malah aya nu ti kalangan artis jeung atlit, sebut wae Anang Hermansyah ( caroge Asanti), Nadila, Elly Sunarya, Personal Band The Massip, The Marvel, kipper Persib Ricky Subagja, pinunjul Moka Kabupaten, Aam Amirudin, jrrd. Tapi wondening kitu ciri nu mandiri salaku “universitas Islam” mekar jadi paguron luhur Islam nu nyongcolang jeung modern, kapan dina mimiti ngadegna mah ngan aya tilu Fakultas, Syariah, Dakwah, jeung Tarbiyah, katompernakeun jadi paguron luhur nu modern nu dieusian ku ruparupa fakultas bari tetep mertahankeun nuansa Islamna. Kampusna sumebar jlug-jleg dimamana aya nu di Tamansari (kampus puseur/pusat), Hariangbanga, Ranggagading, Palasari jeung Kampus 5
  6. 6. Aktif di Ika Unpad bareng jeung Fery Mursidan Baldan II di Ciburial. Tah di Ciburial ieu nuansa Islami Unisba bakal atra katingali, sabab dihususkeun pikeun nu masantren/pelatihan-pelatihan islami. Jadi geus jadi kagiatan nu maneuh keur mahasiswa anyar jeung mahasiswa nu rek diwisuda, wajib miluan heula “masantren (pembekalan moral)” di Ciburial, sabab mangrupa bagean tina mata kuliah PAI (Pendidikan Agama Islam) nu diajarkeun salila 8 semester (bandingkeun jeung di paguron luhur lian nu ngan 4 semester). Lian ti kitu, dosen-dosenna ge kudu nyontoan ku sikep jeung moral nu hade, kaasup dina tatacara make papakean nya minimal “busana Muslim” keur dosen istri mah, kitu deui ngucapkeun “salam” oge kabersihan kudu dierhatikeun ku sakumna civitas akademika Unisba, “Maenya urang nu gaduh slogan, Kabersihan sabagean tina iman, tapi urangna teu nyontoan berseka”, kitu saurna. “Niat pun bapa kapungkur teh hoyong ngadegkeun paguron luhur nu aya atikan Islamna di dayeuh, da kapanan biasana mah aya di pasisian (termaginalkan). Nya Alhamdulillah sabada Unisba ngadeg (taun 69, saacanna taun 67 ngaranna Universitas Kiansantang, saacanna deui PIT , Perguruan Islam Tinggi, ngadeg 15 November 1958) jlug-jleg sakola sareng paguron luhur Islam di Bandung”, pokna reueus. Unisba kiwari memang ngajanggelek jadi paguron luhur Islam nu nyongcolang jeung modern, samalah cek Kang Adang kampus puseur di Jalan Tamansari nu legana sahektar beuki dieu beuki “baranahan” teh kulantaran 6 geus teu sanggupeun nandean mahasiswana nu datang ti sakuliah nusantara nepi ka Aceh jeung Irian, bisana kitu lantaran ku uar pangajakna Pa Mutaqien dina mangsa baheula, nu bakal mere lolongkrang jeung pasilitas leuwih ka calon mahasiswa/mahasiswa Islam nu asalna ti Irian kitu deui mahasiswa asal Timor-Timur (saacanna misah) loba nu nyuprih elmu di unisba. Unisba nu ngawengku 10 fakultas, dina sataunna narima 1200-1500 urang, malah “student bodyna” kungsi ngahontal 12 rebu jeung kiwari ngabogaan Fakultas Kedokteran nu geus dianti-anti salila 20 taun, gedongna bakal diwangun 5 lantey ka-6 basement di Hariangbanga, “Alhamdulillah tinekanan. Da geuning teu tiasa kitu wae ngadegkeun Fakultas Kedokteran mah, kedah aya Guru Besarna, sarana sareng sapuratina sareng deuih awis waragadna kuliah kedokteran mah di paguron luhur negri atanapi di swasta ge utamina buku-buku sareng pasilitas sanesna”, kitu saurna bingah. Unisba ge pada ngadeudeul ku calon mahasiswa ti Thailand jeung Malaya (Malasyia). Ngeunaan mahasiswa nu katalar Qur’an 30 juz gratis kuliah di Unisba, Kang Adang ngaenyakeun, “Muhun leres mangga ka calon mahasiswa /mahasiswa nu hafidz Qur’an 30 juz haratis kuliah di Unisba dugi ka lulusna, mung saratna elmuna kedah diamalkeun ka mahasiswa sanesna supados mikacinta Al-Qur’an”, pokna pasti. Kaluar ti Pagawe Negri Alatan Mikacinta Bandung jeung Unisba Kang Adang cepeng damel di Unisba ti taun 1988 (tilu taun sabada ramana ngantunkeun ). Sabanerna salulusna (taun 1986)ti Jurusan Sastra Arab /Asia Barat Fakultas Sastra Unpad (kiwari Fakultas Ilmu Budaya/FIB), taun 1987 Kang Adang geus jadi pagawe negri di Deplu Batawi. Tapi ngan kuateun 10 bulan, teu betah cenah hirup di Jakarta mah, can biasa nyanghareupan kaayaan sapopoena, rek digawe ge kudu nyorang jalan nu rarupek ku polusi jeung pabeulit ku patalimarga, keur panas teh kudu pasesedek dina angkot atawa metromini jeung teu aman deuih, “ Ah mending hirup di Bandung, dina teu boga duitna ge bisa disorang ku leumpang bari jeung aman – tiis ceuli herang mata”, kitu cek pikirna harita. Ah gilig we cenah rek ka luar mending ngajar di unisba, da boga kasangtukang pangaweruh basa jeung sastra Arab. Berekah taun 1988 katarima jadi dosen di Fakultas Tarbiyah ( Pendidikan Agama Islam) , fakultas nu munggran di Unisba bareng jeung Fakultas Syariah katut Fakultas Ushuluddin(Dakwah). Dunya Islam (basa, sastra, budaya) memang lain hal nu anyar keur Kang Adang, riwayat atikanana satingkat SMP – SMA asalna ti pasantren. Satamatna ti SD Sabang, Kang adang langsung masantren di Pabelan – Muntilan – Jawa Tengah, da ka Gontor mah teu katarima alatan leuir teuing daptarna.Lima taun tamat masantren bingung, teu boga ijasah. Nya sakola deui di PGAN (kiwari MAN, Madrasah Aliyah Negeri),sataun ti harita meunang ijasah jeung taun 1980 katarima di Sastra Arab Unpad. Sakabeh eta jadi bekel pikeun ngajar Bahasa Arab, Kapita Selekta Pendidikan, Akhlaq, Tasawuf, jeung Administrasi & Supervisi (Akta IV) di Unisba kalayan diaping ku dosen Pembina Kiayi Rosyad Nurdin, Odang Muhtar, jeng Jawad Dahlan. Di Unisba Adang kungsi cepeng kalungguhan: Kepala Seksi Administrasi Kemahasiswaan dan Alumni Fakultas Tarbiyah (1990-1994), Pembantu Dekan III Fakultas Tarbiyah (1998-2001), Kepala Seksi Kegiatan Kemahasiswaan PR Iii (2005-2007), jeung Wakil Sekretaris Yayasan Unisba (2007-2011). Tah nalika katompernakeun yayasan nyieun PT dina widang proferti adang milu aktif bari jeung kudu ka luar heula ti yayasan da kitu pasaratan kaanggotaananana kudu ti luar yayasan. Perseroan Terbatas ieu ngadeg pikeun ngawaragadan jeung numuwuhmekarkeun Unisba. Sabenerna PT nu anggotana arsitek, perencana Manglé 2446
  7. 7. jeung rupa-rupa ahli dina widangna sewang-sewangan teh bergerak dina ruparupa widang, tapi kiwari nu dipajuna dina widang property, perencanaan pangwangunan jeung perluasan, da kabeneran Unisba ngabogaan keneh lahan di Tamansari, Cijambe, jeung di Cilengkrang, tibatan tenderna dikabaturkeun mending di-swakelola, leuwih nguntungkeun. Nya contona rek ngawangun gedong fakultas Kedokteran 5 lantey kagenepna basement (di Bandung palaturanna teu meunang ngawangun leuwih ti 5 lantey sangkan teu jadi hahalang kana lalu-lintas udara) di Hariangbanga ge rek di- swakelola ku PT nu dijieun ku Yayasan Unisba. Dosen Unisba nu baheulana kungsi aktif di Lingkung Seni Sunda (Lises) Unpad jeung kapeto jadi Pupuhu Ika (ikatan Alumni) Sastra Unpad (2008), lian ti ngajar sok “ngabingbing haji” di Megacitra. Saacana Kang Adang taun 1989 kungsi ngaping nu ibadah haji tunanetra, harita kabeneran 25 urang tunanetra binaan Yayasan Umi Maksum kagungan tuang ramana, diulem ku raja Saudi, nya diaping ku Kang Adang, “Leuh alhamdulillah meni nikmat sareng harampang, lungsur-langsar ngaping nu tunanetra mah, benten sareng nu beunta, nu tunanetra mah langkung sabar, iklas, teu seueur kahoyong, sareng pihak pamarentah Arab Saudi katut nu Tawaf atanapi nu nuju Sai’ ge langkung ngajenan sareng mamaprin jalan ka nu teu ningal mah, luyu sareng nu dicontokeun ku Rosululloh”, kitu saurna nyoreang alam ka tukang. Dina taun 97-99 sabenerna Kang Adang ge nyieun pausahaan bimbingan haji, ngan kateug, taun 2001 mimiti ka Megacitra, mayengna mah dina taun 2003 tug nepi ka ayeuna, “Alhamdulillah abdi tiasa ngajalankeun amanah, margi nganteur nu ibadah haji nu di ulem ku Alloh mah amanah sanes kanggo milarian materi”, kitu saurna pasti. Pusat Bimbingan Haji nu kantorna di Jl.Cimandiri 20 Bandung jeung di Dharmawangsa Square Kebayoran Jakarta teh, target sataunna nu umroh 1500, 3-4 kali pemberangkatan dina sabulanna, nu ibadah haji 2-5 beus. Dina mangsa tulisan ieu keur ditulis dina Mangle, Kang Adang mah keur husu ngaping nu ibadah ka tanah suci. Mugia jaranten haji nu mabrur.Amien!*** ASEP GP. Sareng kulawarga Ngagaya dina motor badag Nganteur nu ibadah haji lain keur neangan materi Manglé 2446 7
  8. 8. Nguatan ékonomi, nguatan kamandirian. Ka dituna, nguatan lembur sorangan. Matak, pihak Pusat Koperasi Unit Desa (Puskud) Jawa Barat mah, teu weléh narékahan sangkan ékonomi masarakat jadi pribumi di lemah caina. Ngan, kumaha carana? *** N garanna gé pepelakan jeung tutuwuhan, aya usumna. Ngan, lain sababna kitu, upama saperti kadelé, bawang, céngék, nepi ka langka nu ahirna mahal kacida. “Nu sidik mah aya kasalahan wé,” ceuk H. Toto Iskandar, SE., Ketua Pusat Koperasi Unit Desa (PUSKUD) Jawa Barat tandes naker. Ceuk pikirna, kabutuh masarakat nu mayeng kawas kitu, gampang dikira-kirana. Maksudna, sakumaha H. Toto Iskandar, SE., Ketua Pusat Koperasi Unit Desa (PUSKUD) Jawa Barat Ngajaga Lembur Nguatan Kamandirian Rahayat nu dipikabutuh jeung ti mana keur nyumponan pangabutuhna, bisa diiker-iker ti anggalna. Hartina, sagala rupana kudu ditataharkeun kalayan jinek. Malikeun Kapercayaan Keur nyumponan pangabutuh masarakat, ceuk ieu carogé Zulfaedah Triana mah, teu bisa ukur ngandelkeun pasar. Da, upama ukur kitu mah, nu kuat bakal ngéléhkeun nu hengker. Balukarna, ukur nu gedé modal nu ahirna bisa ngawasa pasar gé. “Upama kabutuh balaréa ukur ngandelkeun saurang dua urang pangusaha jugala, tangtu wé bakal 8 réa anu dirugikeun,” ceuk ieu teureuh Bekasi témbrés. Ku lantaran kitu, tata niaga kudu dibebener deui. Ngan, kumaha carana? Di urang, ceuk H. Toto, geus aya wadah saperti koperasi. “Kudu nguatan deui KUD wé atuh,” pokna. Koperasi Unit Desa nu jadi andelan ékonomi masarakat, samistina meunang kapercayaan ti balaréa. “Pangpangna mah, butuh kapercayaan ti pamaréntah!” pokna tandes. Kitu téh, lantaran KUD butuh modal. Enya, cenah, ti heula-heula saperti dana nu disalurkeun ka KUT téh teu puguh juntrungna. Tapi, nu kawas kitu téh, teu bisa disakompétdaunkeun. “Tetep kedah timbul itikad ti pamaréntah snagkan KUD mekar deui ku cara mantuan modalna,” pokna. Upama KUD boga modal, anggotana gé bisa leuwih laluasa dina makayakeun usahana. Nu ancrub kana tatanén, sayur-sayuran, miara ingkon-ingon, tangtu moal gejed waé ngaléngkahna. “Tapi, upama can nanaon geus teu dipercaya, nya tangtu wé hésé menyatna,” pokna. Pihakna, ceuk H. Toto, siap ngokolakeun dana pamaréntah. Komo deui atuh dina jaman kiwari, Manglé 2446
  9. 9. teu kudu hariwang teuing nu boga wewennag ‘nyalurkeun; modal ogé. Lantaran, ayeuna mah jaman brukbrak. “Nu penting, puguh tanggung jawabna. Mun euweuh duit, asal aya barangna. Tah, mun duit jeung barangna teu puguh, kari meredih tanggung jawab pihak nu ngokolakeun éta duit wé atuh,” pokna. Masarakat, ceuk Toto, masih kénéh bisa dipercaya. Aya kénéh kasieun jeung kaéra, mun nyéléwéngkeun duit batur, komo ari dikokolakeun kalayan hadé mah, bisa punjul. Contona, di KUD Sedong nu perenahna di Cirebon, kaasup KUD nu sukses bisa hirup jeung huripna,” pokna. Ulah Ngarugikeun Batur Tujuan koperasi, keur karaharjaan anggota. Hartina, demi masarakat sakumna. Lantaran, nu ilu-biung dina koperasi mah, masarakat. KUD gé dikokolakeun ku rahayat keur masarakat. Nu ngalap untungna, Kadelé, nepi ka langka nu ahirna mahal kacida, balukar aya kasalahan dina ngaminij ékonomi deui duit pamaréntah. “Asal, mémang pangurus KUD gé nu benerbener bisa dipercaya,” pokna. Lian ti meredih ‘amanahna’ pangurus koperasi jeung anggotana, pihak nu tumali jeung koperasi gé sarua kudu beunang dipercaya. Contona, cenah, upama nyadiakeun binih, nyadiakeun gemuk, jeung pangabutuh patani, atuh ulah dibatikeun! Cindekna, haregana téh kudu sacéréwéléna. “Intina mah sadayana gé kedah jujur!” Nepi ka ayeuna, Koperasi Unit Desa (KUD) masih kénéh jadi andelan ékonomi masarakat. Ngan, mémang cenah, teu kabéh walakaya, da sawaréh mah, hirup teu neut paéh teu hos. Tina jumlah 486 KUD di Jawa Barat, ceuk Toto mah, nu aktip téh 300 KUD, nu sumebar di sakuliah Jawa Barat. Mémang, kaayaan KUD téh teu walatra. Aya nu nanjung aya nu alakadarna. “Ngan, nu écés, KUD gé Manglé 2446 téh? Kahiji, ‘Pakai pikiran orang’ (maké pikiran atawa kamampuhan nu lian). Ku cara kitu gé, apan nu baris ngalap mangpaatna téh lain ukur kulawarga sorangan, tapi deuih pihak séjén. Kadua, ‘Pakai Duit Orang’ (maké modal nu lian). Mun teu boga modal sorangan, teu kudu kateug usaha. Da, bisa maké modal nu séjén. Ku cara kitu gé, kauntungan téh deuih bakal kaarah ku pihak séjén. Katilu, ‘Pakai Tenaga Orang’ H. Toto Iskandar; Ngamajukeun usaha, ngalarapkeun ‘jurus 5 P’ loba naker. Apan, mun masarakat boga pangasilan, hartina ogé, boga kakuatan keur mekarkeun diri di lemburna sorangan. “Koperasi gé kudu jadi pribumi di lemburna sorangan,”pokna. Upama H. Toto bisa nyarita kitu, lain ukur lalambé. Koperasi nu dikokolakeunana di Bekasi, apan bisa ngawadahan 100 urang karyawan. Hartina, bisa jadi lahan usaha jeung harepan masarakat. “Koncina, kudu silih untungkeun,” pokna. Dina ngokolakeun koperasi, H. Toto mémang boga jurusna. Kituna téh, hasil tina bekel ngajalankeun usaha, nepi ka ahirna mah apal kumaha ngokolakeun usaha kalayan silih untungkeun. Cenah, usaha nu dijalankeun ku dirina, tetep boga tujuan geusan kaala mangpatana ku balaréa. Ku lantaran kitu, dina usahana gé inyana mah ngalarapkeun ‘jurus 5 P’. Tah, naon téa éta (maké tanaga nu lian). Jéntré, apan urang téh moal bisa migawé sagala rupana nu sorangan. Hartina, butuh tanaga batur. Atuh, mangpaatna gé, bakal karasa ku pihak nu dipaké tanagana téa. Kaopat ‘Pakai Otak Kanan’ (Maké uteuk katuhu). Hartina, nu usaha mah kudu rancagé, loba akal tur daék inovasi. Tah, nu kawas kitu mah, pagawéan uteuk katuhu, kabiasaan-kabiasaan jalma rancagé nu tara kabéakeun akal. Kalima, ‘Pakai Doa Orang Miskin’ (maké du’a nu miskin). Hartina, hasil usaha téh atuh kudu keur kabutuh jalma-jalma nu mémang butuheun. Tumali dua ti jalma nu miskin, H. Toto nu yakin kana papagon agama, ganjaran nu dibikeun ka batur téh bakal jadi kahadéan. “Ulah miharep ti nu dibéré ku urang, da urang mah gaduh Pangeran nu Mahakawasa,” pokna.*** (Ensa/Rudi) 9
  10. 10. Bagian 177 Peuting ka-204 Gap prajurit narima éta surat. Jung nangtung sarta saterusna asup ka kamar putri. Sok wéh surat téh dibikeun sartaa ditarima ku Putri Budur. Haleuang sair komarujaman, keuna kana mamaras rasa putri budur. Atuh, timbul kapanasaranana hayang kaluar ti éta wawangunan, tapi teu bisa majar kumaha lantaran sukuna diranté. Ku lantaran kitu, waktu badégana datang mikeun keretas, putri téh kacida panasaranana. Gap wéh éta surat téh teu sirikna dijewang. Bray surat dibuka, bréh ali nu kungsi leungit téa. Ngan, nu leuwih narik atina mah, eusi surat téa. Diilo teleb naker sarta ahirna tembong paromanan ngagebray jadi marahmay. 10 Kalayan bangun nu teu sadar, éta putri téh ngahaleuang. Ngedalkeun eusi haténa, di antarana hariringna, putri téh nagdelakeun kahanjakalna papisah jeung nu dipikaasihna. Sanggeus maca éta surat, lir nu timbul kakuatan rohaka. Sumanget hirupna ngabebela. Atuh, kitu deui tanagana jadi rosa. Putri nu salila ieu lemah bangun taya pangawasa, harita mah, bisa megatkeun ranté nu ngabakutet sukuna. Koréjat hudang. Nangtung sarta saterusna mah ngalengkah ka lawang panto. Bangun nu teu kuat ku kapanasaranana, eta putri téh, nyrélékeun lalangsé nu jadi hahalang antara diri jeung pamuda nu aya di luar kamar. “Duh, kakang, naha ieu téh nyata atawa ukur impian!”pokna. Bangun ilang temahwadi, putri téh nubruk tur ngranagkul Komarujaman. Kituna téh bari teu eureun-eureun ngucap sukur ka Nu Mahaagung. Ngarasa bagja, najan masih kénéh cangcaya kana tetempoan jeung rarasaanana. Ngabandungan paripolah putri kitu, badéga husus putri guragiru kaluar. Laju muru istana raja. Hariweusweus ngabéjakeun kaajaiban nu cikénéh kasaksénna. Malah, nu matak bungah mah, cenah, putri budur sehat deui. Omongan badéga kitu, matak bungah nu ngadéngékeun. Komo deui kulawarga raja mah, da éta nu diteda beurang jeung peuting. Keur raja mah, kakawasaan jeung dunya barana harita, tetep hambar lantaran putri nu dipikameumeutna keur ngalanglayung. “Bener éta téh?” raja nalek. “Teu lepat! Mangga wé buktoskeun ku nyalira!” Jung raja nangtung. Gejlig kaluar ti istana, muru wawangunan tempat putrina. Tététla, nu disebutkeun ku badégana téh bener. Anakna, nu salila ieu ngungun tur disangka siwah, harita mah témbong marahmay naker, pulih tina kasakitna. “Ama bagja, geulis, hidep cageur deui!” pokna bari ngarangkul anakna. Putri males nangkeup kalayan tipepereket. Atuh, sajongjongan mah bapa jeung anak téh paungkuungku ngedalkeun rasa sono jeung kabungahna. Raja ngalesotkeun rangkulannana. Geus kitu malik ka Komarujaman nu keur hareugeueun ngabandungan éta kajadian. Pok raja nyarita, nanyakeun asal-usul Komarujaman. Gorolang Komarujaman nyaritakeun asal- Manglé 2446
  11. 11. usulna. Taya nu dikilungan, sagalana dicaritakeun. Atuh, raja gé beuki bungah, lantaran, najan kakara tepung harita jeung éta pamuda, ari kana teureuh jeung terahna mah moal bireuk deui. Hartina, mémang kupuna, upama anakna ngajodo ka éta pamuda. “Ngan, kumaha lalakonna pangna hidep nepi ieu nagara?” pokna deui semu panasaran. Derekdek Komarujaman nyaritakeun pangalamanana. Mémang, kungsi ngalaman kajadian ahéng. Tepung hiji peuting jeung putri nu teuing kumaha mimitina bet aya di kamarna. Sanggeus papisah, teu weléh ngarasa tibelat nu ahirna kagegeringan, malah disangka siwah. Ngabadungan lalakon pamuda kitu, raja gé hareugeueun. Ceuk pikirna, nu kaalamanana ku éta pamuda téh teu béda jeung lalakon anakna. Ngan, angger tungtungna mah matak panasaran. Ceuk pikir raja, éta lalakon payus dicatét jadi dokumen karajaan. Matak, harita kénéh, raja maréntahkeun juru tulis karajaan nyatet lalakon Komarujaman, kitu deui lalakon Putri Budur. Isukna, raja ngumpulkeun paramantri jeung ponggawa. Intina mah, nétélakeun pakarepanana, nyumponan jangjina. Apan, saha waé nu bisa ngubaran anakna, ahirna mah baris jadiminantuna. Ku lanaran kitu, pok wéh nyarita ka hakim nagara, sangkan sagancangna ngawinkeun Putri Budur jeung Komarujaman. Malum hajat karaja- Manglé 2446 an, tangtu wé rongkah kacida. Tujuh poé-tujuh peuting raraméan, ngareuah-reuah nu pangantenan. Sakur kasenian peutingan di éta nagri didatangkeun sarta ditanggap sina ngahibur rahayat. Bungahna raja rembes ka rahayat sakumna. Ondangan daratang ti suklakna ti siklukna. Nu jarauh, komo nu deukeut, teu sirikna tingalabring ngadatangan tempat pésta, ngawilujengkeun ka raja katut pangantén. Poé kadalapan, tatamu nu jauh kakara marulang deui ka tempat masingmasing. Poé-poé saterusna, Komarujaman ngarasa kacida bagjana. Kakara harita, dirina ngarasakeun maduna hirup. Kitu deui Putri Budur, saggeus halabhab ku rasa asih ti lalaki nu dipikacangcamna, lir nu halodo entakan kasiram hujan miripis, tiis tingtrim dibarung ku rasa suka nu taya papadana. Sanggeus sawatara poé ngancik di pangumbaraan, Komarujaman mimiti tibelat ka lemburna. Kitu téh, pangpangna mah lantaran dina hiji peuting, ramana datang dina impian. Ada di kieuna, raja Syahraman téh nganaha-naha ka anakna nu téga ning- galkeun karajaan kalayan teu permisi heula. Pangaruh impian kitu, kabawa dina kahirupan nyatana. Atuh, dina hiji peuting, waktu aya di pangsarean, Komarujaman téh nyaritakeun impianana, sarta saterusna ménta bongbolongan ka garwana ngeunaan nu kudu dipilampah. Putri Budur ngarti, salakina téh tibelat ka kulawargana. Atuh, ceuk pikirna, memang geus waktuna dirina gé nganjang ka nagri mitohana. Cindekna, ieu nu anyar pangatenan téh rek nyaba ka nagri nu didtinggalkeun salakina. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ari Andriansyah Élégi Datang deui ka dinya, kukusut buuk nu ngemu tatu laut Wanoja tuna impian sabada tibrana dililirkeun lini wanci Ka sisi basisir pangemitan saniskara rusiah ruruhit takdir Néang kojéngkang tina jerit nu kapalidkeun caah cimata Tina peura pirang-pirang sora karémpan, hangru banusan Rurujad ingetan, katut ombak ngaguguntur liuh sarakan Kasatiaan kami lain sakadar ringkang bedang camar sasar Najan sisimping jangjang lana nikreuhan samar, aweuhanna Nangtung nyatru guruh, nadah séah luhur ruruntuk parahu Sugan lawung deui layung, angin ngiberan raratan liwung Taya jawaban. Langit gudawang, sagara langgeng raheutna Aya kalangkang ti heula miang nilar ranjang panganténan Tina lambaran-lambaran rumbay nandaan pugurna windu Aya titimangsa nu kalarung, yén babatang demi babatang Lawas dipaseuk jadi padung, laju wanoja oléng pangantén Jeung kalangkang. Saparat kikisik ngawurkeun deui manglé Sajatining rampé, ngotrét hiji ngaran ku régang réma asihna Najan laun-laun teu weléh sirna kaséblok salantisan lambak Pangandaran, 2011 Mérkuri Bari tanggah nénéangan ringkang purnama kamari Suku geus jauh ngarayapan beungeut cileuncang Saparat juuh trotoar jeung limpeuna lampu mérkuri Sésa hujan tadi soré ngeleperkeun waruga dayeuh Kahirupan nu haben digelar kukusut buuk parawan Antara bangkarak usum jeung cimata kalakay pugur 12 Manglé 2446
  13. 13. Ka mana kudu ngabungbang nyusud liuhna sarakan Nu kasampak kari kalangkang lalampahan kasarung Jalan ngaringkel nonggoh mipir gawir pangimpian Atawa mudun nyorang ropoh cukang pangharepan Kakelar nu lana ngaruhay dina kalbu méméh lunta Nungtut pareum dirungrum rurub halimun laun-laun Basa peteng ngepriskeun lalancip citangis langit Suku masih kénéh tigin ngulayaban luhur trotoar Guguntayangan lebah mérkuri jeung kamalé peuting Sakali deui tanggah sugan aya geter cahaya nyésa Nangtung satengahing cipruk diseumat isarah hujan Antara tambang jeung tihang panggantungan lalakon Lémbang, 2011 Memento Kapan kalangenan kadar ngalawungkeun rangkulan Urang pajonghok dina kasono hiji wirahma ahéng Bari teu pernah tumanya kumaha lagu dipungkasna Yén antara jentréng ieu gitar jeung kését biola anjeun Aya wates hariring angin lebah anggang nu teu katepi Nu ngan kongang kadongkang ku simfoni panggupay Yakin galindeng baris wedel rumaket, nu halon kedal Tapi wirahma rintih ngudar simpay, nu werat némbal Lir padalisan rumpaka méga leungiteun titilaras langit Sapada sekar nyilungkeun sakur geter nu kapibanda Ngarakrak rumpaka nu teu cukup dilisankeun halimun Gentem kakangen bumi sadrah pukah kasarad sumerah Teu kudu nyegruk kapan kitu mungguh laguning hirup Sakabéhna papasangan dina asih kawih jeung patina Dipirig gitar jeung biola nu lawas leungiteun senarna Antara aweuhan munara masjid jeung loncéng garéja Aya wates haleuang lebah awang-uwung jomantara Urang katedral disalib geugeut rangkulan pileuleuyan Bandung, 2011 Manglé 2446 13
  14. 14. Kurban, Kaihlasan Nanjeurkeun Kasoléhan Ku Rihhadatul Aisy M anusa hirup di alam dunya tujuanana mung ibadah ka Mantenna. Wama kholaktul jinna wal insan illa liya’buduun. Diciptakeunana jin jeung manusa teu aya deui iwal pikeun ibadah ka Alloh Swt. Malihan para ulama parantos nandeskeun, sapertosna waé Ibnu Hazm al-Zahiri, yén ihlas téh mangrupa ruhul ibadah, nyawana ibadah. Margi kitu, badé ibadah naon ogé, kahadéan naon nu dipilampah, moal aya ajénna, upama teu dibarengan ku kaihlasan. Ihlas dina koncina ibadah, témbrés pisan dina surat al-Bayyinah ayat 5. Alloh Swt. ngadawuh : wama umiruu illa liaya’buduulloha muhlisiina lahuddin. Nu hartosna, ‘Padahal maranéhna teu ditimbalan salian ti supaya aribadah ka Alloh kalawan ngaihlaskeun agama karana Anjeunna.’ Kitu deui dina tiap solat. Urang sok ngucapkeun, Innassolati wanusuki wa mahyaya wamamati lillahi robbil 'aalamin. Saéstuna salat abdi, ibadah abdi, hirup abdi jeung maot abdi sadaya kagungan Alloh, Pangeran nu murbeng alam. (QS AlAn'am, 162). Tah, ihlas nu mangrupa koncina ibadah, katitén deui dina ibadah haji sareng ibadah kurban. Palajaran ihlas geus kagambar sakumaha dicontokeun ku Nabi Ibrahim a.s. nalika kudu nelasan putra nu dipikaasihna, Nabi Ismail a.s. Kaihlasan dina ibadah kurban saterusna ditétélakeun deui sacara husus dina Surat Al-Hajj ayat 37, Layyanalloha lahuumuha wala dimaa uha walaakiy yanaaluhut taqwa minkum. Nu hartosna kirang 14 langkung kieu: "Alloh henteu nampi dagingna jeung getihna, tapi Alloh bakal nampi takwana ti maranéh." Jéntré pisan, dasar ibadah kurban, singhoréng lain wujud dagingna nu bakal nepi, tapi nu nepi jadi bekel ibadah mah, nyaéta takwana, ihlasna. Margi kitu, sanaos lekasan urang saribuk mareuncit héwan kurban kamari, tapi ari hikmahna mah angger kudu ngancik dina diri séwangséwangan. Lantaran, kacida lebarna upama kamari tipoporosé urang néangan rejeki jang kurban, ari dirina teu apal, kana hikmahna ibadah kurban. Kajadian parebut héwan kurban, kajadian nu keukeuh hayang ménta sapertiluna jeung sajabana nepi ka teu akur jeung dulur parebut daging kurban, meureun éta nu digambarkeun dina surat Al-Hajj téa. Ku kituna, sangkan kurban teras ngocoran kahadéan nu wasilahna janten taufiq geusan ningkatkeun katakwaan sareng kasoléhan, mangga urang titénan deui palajaran naon nu aya dina satukangeun meuncit héwan kurban. 1. Getihna nu kaluar nalika dipeuncit, éta téh tandaning pangampurana Alloh pikeun nu kurban tina sagala dosa-dosana nu geus kaliwat. Kasauran Kangjeng Rosul ka putrana Fatimah r.a, Quumi ila udhiyatiki faashidiiha, fainnahu biawwali qotrotin min damiha yagfirulaki maa salafa min danbiki. "Saksikeun kurban anjeun, saéstuna getihna nu ngucur téh mangrupa pangampura Alloh pikeun anjeun tina sagala dosa nu geus kaliwat " (HR. Baihaqi). Numutkeun pidawuh Rosul di luhur, kurban téh jadi ladang dihampurana dosa-dosa. Ari nyebutkeun perkara dosa, saha jalma nu teu gaduh dosa. Lian ti Rosululloh nu tos di ma'sum, sadayana pasti moal leupas tina dosa. Kasebutna jalmi sombong alias adigung meureun lamun aya hiji jalma nu ngaku teu boga dosa, utamana dosa haté jeung ibadah ka Gusti Alloh. Ku margi kitu, koncina ihlas, narima jeung nyakséni yén manusa téh mahluk lemah. Mangka saha nu niat karana Alloh, ibadah kurban téh jadi panto dihampurana dosa. Bagja pisan saha jalma nu keyeng ngalaksanakeun kurban kalawan ihlas. Margi kitu, dina hadis-hadis séjénna seueur pisan nu ngajelaskeun, karana ihlas pasti bakal dihampura. Saha nu bakal dihampura koncina kedah ihlas téa. Sapertos dina ibadah saum, apanan disaurkeun, 'man soma romadona imanan wahatisaban, gufirollohi maa taqoddama min danbih'. Eta ogé koncina kedah ihlas. Balik deui kana ibadah kurban dina hadis tadi, sangkan kaihlasan téh saterusna dijadikeun dasar amaliyah dina paripolah sapopoé. Naon sababna masalah ihlas diutamakeun? margi dina prakprakanana, manusa téh bakal hésé neuleuman jeung ngalaksanakeun nu ngaranna kaihlasan, dina hartos ihlas téh kalebetna perkara nu abot. Setan ogé terus ngagoda ku cara naon baé, sangkan manusa embung ihlas. Harta banda, kahormatan jeung kamunafikan téh, éta sadaya misi sétan nu bakal ngahalangan urang ihlas ibadah ka Alloh. Nu Manglé 2446
  15. 15. mawi sakitu, upami aya nu kurban tapi jadi sombong, jadi pedit alias korét jap jahé, éta hartina kurbanna téh pikeun ningalikeun kasombonganana, sanés keur katakwaanana ka Gusti Alloh Swt. Ceuk tadi ogé, getih nu jadi simbol gerak urang dina hirup di dunya, upama urang ngucapkeun Allohu Akbar nalika katingal getihna ngocor, di dinya pangampura Alloh bakal turun ka anjeunna. 2. Getihna bakal pangbeubeurat timbangan amal kahadéan engké di ahérat. Duhhu toyyibuu angfusakum fainnahu maa min muslimin yastaqbilu bidabihatihil qiblata illa kaana damuha wafarsuhaa wasuufuha hasanatun fii mizanihi yaomal qiyamah. Saur Kangjeng Rosul ogé, prak geura kurban kalawan ihlas, saéstuna tiap-tiap muslim nu ngalaksanakeun kurban kalawan ngadep ka kiblat, mangka getihna, kotoranana jeung buluna téh hiji tanda kahadéan jeung bukti kana timbanganana engké di yaomil qiyamah. Kitu sakumaha dijéntrékeun, yén manusa téh bakal nyorang kahirupan engké di ahérat. Amal urang sadayana bakal ditimbang, famay yam'mal mitsqo ladzarotin khoiroyyaroh, wamay yam'mal mitsqo laddarotin sarroyyaroh. Sing saha jalma anu ngalampahkeun amal kahadéan sok sanajan sabobot kebul pasti manéhna bakal nénjo amal kahadéanana, kitu deui saha jalma anu ngalampahkeun amal kajahatan sok sanajan sabobot kebul pasti manéhna bakal nénjo amal kajahatanana. Ku margi kitu, kurban nu didadasaran tauhid ka Alloh, jadi pengbeurat amal kahadéan nu teu aya tandinganana. Malihan dina katerangan séjénna nu diriwayatkeun ku Ibnu Abbas, Rosululloh kantos ngadawuh : Maa unfiqotil waroqu fii sae'in afdolu min nahiirotin fii yaomi 'iidin. Anapon artos, perak nu sok dibalanjakeun, teu aya nu leuwih utama anging meuncit hewan kurban dina poé kurban. (HR. Baihaqi). 3. Ancaman pikeun nu embung kurban. Ku margi tadi ogé, kurban téh keur nu mampuh, mangka saha jalma nu mampuh tapi embung kur- Manglé 2446 ban, mangka Alloh moal ngahampura sarta éta téh lain golongan Islam. Kurban nu mibanda takwa, mangka Rosululloh ogé neunteuingeun jalma nu pedit, embung kurban, embung tingalikeun kasoléhan sareng kaihlasan. Padahal tadi ogé pidawuh Gusti "walaakiy yanaaluhut taqwa minkum" nu nepi téh takwana, lain dagingna. Ku kituna, saha jalma nu keukeuh embung kurban padahal mampu, kasauran Rosul, man kaana lahu sa'atun walam yudohhi falaa yaqrobanna musollana. Saha jalma nu mampu pikeun ngalakonan kurban tapi keukeuh embung kurban, mangka ulah deukeut-deukeut kana tempat solat kami (Rosul). (HR. Ahmad jeung Ibnu Majah). Kasoléhan Sosial Ku saréat kurban ieu, kaum muslimin dilatih sangkan nerap jiwa kasoléhan sosial, nyaah ka papada jalma. Dilatih sangkan haténa beresih tina sipat riya, takabur, munafik jeung sajabana. Ibadah kurban lain karana mampuh ngorbankeun artos keur meuli domba atawa sapi, tapi mampuh ngorbankeun kamampuh nu leuwih ti nu geus ditarima ku urang ti Alloh. Urang dipasihan kani’matan nu sakieu ageungna, tapi ngalaksanakeun pangorbanan kacida leutikna. Mana pantes teu pati-pati jalma bisa disebut berkorban upama teu aya kaihlasan, lantaran pangorbanan ngahiji jeung kaihlasan. Ibadah udhiyah nyatana kurban, méré palajaran sangkan sagala rupa lampah, akhirna kaihlasan. Hartina sagala rupaning lampah, dasarna kudu ihlas. Ihlas sanés haratis tapi ihlas, nanjeurna kasoléhan. Lantaran deuih, kasoléhan moal ngawujud upama teu ngancik dina dirina kaihlasan. Sabalikna nu teu ihlas alias riya, bakal ngadatangkeun kasombongan. Teu disebut ngarasa berkorban, upama ahirna sombong. Mana waé baladna sombong, nu adigung adiguna? Dawuhan Alloh: Aroaetal ladzi yukaddibu biddin? fadzalikal ladzi ya'du'ul yatim, walaa yahuddu 'ala thoamil miskin. Naha manéh apal, saha nu ngabohongkeun agama téh? nya nu kitu téh jalma nu nolak (kana méré hakna) budak yatim. Jeung tara daék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin. Ieu kasombongan nu pangluhurna. Ku margi kitu, supados urang leres-leres kurban téh karana Alloh sareng tiasa kénging nambih katakwaan urang, mangga urang langkung caket deui ka Alloh sareng ulah pegat ngalampahkeun kasoléhan ka papada jalma. Mudah-mudahan kurban kamari ieu janten nambih-nambih katakwaan sareng ngancikkeun kahadéan ka pada jalma. Allohuma innaka tasma'u kalami wataro makani wata'lamu sirri wa'ada niyyati laa yakhfa 'alaika syaeun min amri anal baa isul fakiirul mustagiisul mustajiirul wajalul musfiqul muqirrul mu'tarifu bidanbi as 'aluka mas alatal miskiina wabtahil ilaika ibtihala mudnibid daliili wa 'ad'uuka du'a'aal khooifid doriiri man khodo'at lahu rokobatuhu wafaadot lahu 'aenahuu wadalla jasadahu warogoma anfuhu, allohuma laa tajalni bidu'aika robbi sakiyyan wakun lii ro'uupan rohiima yaa khoerul mas'uuliin waya khoerol mu'tiin. "Ya Alloh, Gusti nu nguping ucapan abdi, jeung Gusti ningal kana sagala tempat abdi. Gusti nu uninga kana sagala nu caang jeung nu poék tina sagala nu aya dina diri abdi. Teu aya naonnaon nu dina diri abdi anging Gusti Nu Maha Uninga. Abdi jalmi fakir, jalmi lemah, nu saéstuna butuh panyalindungan. Abdi jalma nu sieun, nu butuh kanyaah Gusti. Abdi rumasa, seueur dosa. Sim abdi nyuhunkeun ka Gusti, kana pangampura Gusti pikeun jalmi miskin jeung abdi nyuhunkeun pangampura Gusti ka jalma nu lumur dosa tur hina. Nun Gusti, abdi nyuhunkeun pangampura kalawan abdi nu kagungan soca jeung jiwa raga abdi nu hina. Nun Gusti, mugi Gusti ulah ngajadikeun panuhun abdi ka Gusti nu nyababkeun lungsurna balai. Mugi Gusti masihan rasa asih Gusti, saéstuna Gusti nu panghadé-hadé tempat pitulung sareng sahadé-hadé nu maparinan". Amin Ya Robbal 'Alamin. *** 15
  16. 16. Ku U. Syahbudin disundakeun ku Agus Mulyana 16 Manglé 2446
  17. 17. Milih Putra Daerah Pilihan nu Hade tur Etis T umali jeung calon legeslatif keur daerah asal kandidat, kacida wajar jeung pikahartieunana mun masarakat di eta daerah kacida gede perhatian jeung mere pangrojong sorana. Kitu teh deuih sarua we keur urang Sunda ge, nu daerahna biasa jadi gudangna sora dina pilihan umum, sesebutan daerah teh bisa jadi daya tarik. Da, memang wajar, putra daerahna aya jadi bagian tina kontelasi pulitik di tingkat nasional. Paguyuban Pasundan, minangka kapal induk urang Sunda ngabogaan pamadegan nu jauh ka hareup ngeunaan mangsa ka hareup ieu nagara dumasar kana lalampahan ieu organisasi nu leuwih kolot batan NKRI. Sakumaha ditetelakeun Ketua Umum PB Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. HM Didi Turmudzi, M.Si., dina saban gempungan boh formal jeung pihak luar boh obrolan rineh teu formal, kacida pantesna upama puncak kapamingpinan nasional dina 2014 ka hareup ditempatan ku inohong Sunda. Hal saperti kitu teh teu leupas tina sagudang alesan anu kuat, lantaran urang Sunda mangrupa etnis kadua panglobana di ieu nagara. “Sim kuring neundeun harepan, keur wakil presiden nu bakal datang, asalna teh ti Jawa Barat atawa seler Sunda,” pokna. Paguyuban Pasundan boga pamadegan, nu jadi salahsahiji ‘representasi’ masarakat Sunda salila ieu lain eta wungkul. “Kalugguhanana eces tembres, natrat katara ayana sarta geus bukti gede mere kontribusina keur nagara jeung bangsa,” saur Prof. Dr. Didi Turmudzi tandesna. Sumbangsihna, Didi Turmudzi negeskeun deui, ruparupa widang garapan patali jeung pangrojong kana pangawangunan nasional nya diantarana wae ngeunaan atikan, sosial, ekonomi, jeung budaya. Ku lantaran kitu, pantes upama etnis Sunda dibalitungkeun. Leuwih jauh Didi Turmudzi miharep inohong-inohong tea leuwih daria deui Manglé 2446 Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum Paguyuban Pasundan… ”Naon wae parteyna mah, pilih we putra daerah. Pilihan nu hade tur etis” tur mampuh mere sumbangsihna keur nagara katut bangsa. Atuh, pihakna ge miharep warga Jawa Barat sareundeuk saigel sabeungkeutan jeung silih rojong lantaran krisis solidaritas ‘kasukuan’ bakal timbul upama harepan-harepan nu diajam saperti di luhur teu ngawujud. “Jadi, nu jauh urang deukeutkeun, nu deukeut urang layeutkeun, geus layeut urang paheutkeun." Enggoning ngawujudkeun rancage gawe ngawangun Sunda! Papatah netelakeun, urang ulah salah milih wawakil nu baris majuangkeun urang di parlemen. Dina harti, yen wawakil nu nepikeun kareteg jeung harepan urang teh kudu jalma nu bener-bener nyaah ka lemah caina. Hartina, nyaho kana naon nu jadi angen-angen balarea, bisa ngajaga lembur, ngamajukeun daerah, jeung ngaraharjakeun masarakat di daerah nu diwakilanana. Eta hal, ceuk Prof. Didi negeskeun bakal tumuwuh mun eta wawakil rayat di parlemen teh benerbener lahir, tuwuh jeung ngakar di daerah pilihanana, ari wakil nu jolna ti luar, asa pamohalan daek bajoang kawas kitu! Mapag 2014, saperti biasa, ti pusat ‘ngadrop’ calegna ka saban daerah,. Nu kawas kitu teh, biasa dipilampah ku saban partey pulitik. Otoritas pusat kalayan rupa-rupa ‘transaksina’ moal ngabalitungkeun kapentingan kepentingan daerah. Daerah ngan ukur dijadikeun objek atawa ‘pasar’ transaksi. Nu kawas kitu, lir panumpang nu nyiliwuri nu ngageringan demokrasi. Keur wewengkon Jawa Barat, mingkin teu sehat, lantaran meh kabeh partey pamilon pilihan umum, ketuana teh apan euweuh nu asalna ti tanah Sunda. Ilikan we, Partai Demokrat, Partai Golkar, Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan, Partai Persatuan Pembangunan, Hanura, Gerindra, Nasdem, PKB, PKS, jeung sajabana. Balukarna, loba caleg di Jawa Barat lain putra Sunda. Nu kawas kitu, kacida ironisna! Atuh, keur ngajaga lembur, dina pilihan umum 2014, boh keur anggota DPR RI boh keur DPD, sawadina urang Sunda! Lantaran putra daerah mah pasti bakal leuwih ngaheulakeun kapentingan daerahna. Harepan kitu, mangrupa sikep pulitik nu dijaga ku ajen-inajen demokrasi. Jadi, naon wae parteyna mah, pilih we putra daerah. Kitu teh, pilihan nu hade tur etis. Memang, milih nu didrop ti luhur ge hade, tapi teu etis, ku lantaran kitu, pilih we nu hade tur etis. Prof. Didi nambahkeun, pangrojong kitu lain ‘sentimen kasukuan, tapi lantaran ti baheula urang Sunda boga sajarah ngawangun ieu bangsa. Ngan, dina mangsa Orde Baru, nu kawas kukitu teh teu tembong. Meunang-eleh mah urusan Alloh, nu pasti kahayang teh lain ukur lalambe, tapi kasiapan jeung patekadan anu buleud! Jadi, geus mangrupa patekadan, saha wae presidenna, wapresna urang Sunda, eta teh patekadan nu kudu dibajoangkeun. *** 17
  18. 18. Helli in Memoriam Carpon Rizky Prasasti Anwari A yeuna, manéhna geus anakan, loba. Harepan ngan ukur jadi impénan. Maluguran, maruragan. Kahanjakal ngajorag, nyisikudi. “Helli, kemari! Jangan tinggalkan aku! Aku sayang padamu!” cék manéhna bari nyium tarang uing, welasan 18 taun katukang. Rasa ngajomantara. Dunya gé asa nu urang duaan. Nyaan, asa nu duaan. Tapi.. ah! Kuduna barudak éta téh jadi budak uing. Uing nu kuduna jadi Bapa maranéhna téh. “Anjeun hianat, Cha! Anjeun hianat!” Sora awor jeung séahna angin peuting teu bisa ngéléhkeun ratugna eusi haté. Saban peuting uing ngagogog jeung sabaturbatur, papada anjing. Ayeuna, uing milih kuricakan, tingguluyur ka mana baé jeung anjinganjing sejen. Hirup mah lain pikeun diteumbleuhkeun kana hiji pilihan, gerentes uing ka hiji rarasaan nu tuluy bahula, nu tuluy tatanya. “Geus sia téh! Loba kénéh lauk di sagara. Teu jodo jeung lauk emas, sugan atuh meunang lauk koi!” cék uing jéngkél. Nu tadina pakucrut dumadak simpé. Rarasaan nu bahula laun-laun rerep. Leungit. *** Nepi ka hiji poé uing panggih deui jeung anjeun di dinya pisan. Di pasar anu éta. Uing keur ungas-ingus ngambeu bau hirup. Mapay panas nu ngabetrak. Merjoangkan diri. “Helli, kemari!! Kok kamu bisa di sini? Aa, Tétéh sini! ” cék manéhna bari muru uing. Nu digeroan Aa jeung Tétéh teu nyalampeurkeun, pada sibuk Manglé 2446
  19. 19. ngomé lauk si Joshua. Persis. Pada ngubekan caina, pada mabok laukna. Uing teu némbal, Uing tungkul ngeluk. Uing sok sieun nyanghareupan patepung jeung nu séjén bari teu disangka-sangka. Manéhna imut, amis kareueut lir peueut. Padahal mereun manéhna geus ngajebian, ngaléléwé, ngajejeléh Uing. Enya atuh da saha nu nyaho jero-jerona haté awéwé. Uing teu nyampeurkeun, Uing indit. Uing lumpat. Jauh.. beuki jauh. Beuki jauh..ka béh pasir. Di pasir, Uing panggih jeung Embé. Manéhna duaan, tapi lain jeung si Manglé 2446 Tasya. Duka ka mana ari si Tasyana mah. Ngan nu kasampak téh si Susan. Heueuh, manéhna jeung si Susan. Uing nyampeurkeun. “Mbé, uing galau! Uing manggihan si Chica di pasar. Rarasaan nu baheula rerep, ayeuna motah deui. Bahula!” “Ké..ké..ké.. saha ieu téh?” Susan nanya panasaran. “Si Helli, San. Helli gukgukguk téa. Yang suka berlari-lari,” témbal Embé. “Aéh heueuh. Lain anjing leutik deui ayeuna mah. Mani pangling, kasep!” cék Susan bari nepak taktak Uing. Sanggeus nyarita lila, Uing, Embé, jeung Susan muru ka dayeuh. “Heup! Heup!” cék Susan bari nyiwitan tonggong Embé, “Geus sia mah népi ka dieu wéh, Embé. Dagoan!” cenahna deui, bari nangtung dina tonggong si Embé. Si Embé unggeuk ngagugu. Nungguan di lawang dayeuh. Susan ngajleng, nérékél kana tonggong Uing. Gék diuk. “Siap??” cék Susan ka Uing. ”Siaappp!!!!” témbal Uing semu ngagorowok. Uing lumpat. Lumpat sakalumpat-lampét cara nu geus diparéntahkeun ku Susan basa keur nyarita di pasir bieu. Cék Susan lumpat Uing gancang. Kapan dina lagu gé Uing senang berlari-lari. Nu matak manéhna milih Uing dina ieu papancén. Kitu deuih si Embé gé. Manehna cék Susan jago nyumput. Kapan baheula gé kungdi ditéangan ku si Caca Marica héyhéy teu kapanggih waé népi ka ayeuna. Nu matak manéhna dipapancénan ngadagoan Uing jeung Susan balik deui. Ngadagoanna di lawang dayeuh. Mun Uing jeung Susan balik deui, manéhna nu ngatur tempat nyumput téh. Geus népi puseur dayeuh, jalma paciweuh. Birat. Biur. Burudul. Patulayah nu paringsan. Tinggalolér nu maraot. Nu ampun-ampunan. Ambulan ngahéang. Susan atoheun, Susan beuki motah. Manéhna teu ereun nojosan jalma nu pasuliwer. Nu kaliwatan. Nu diliwatan taya nu kaliwat. Sadayana katojos. Sadayana aduhaduhan. Sadayana ampun-ampunan. Nu pingsan beuki riab. Nu maot beuki loba. Helli ngagogog. Susan nyikikik seuri. Jalma peurih-ceurik-nyeri. Mall–mall rarugrug. Gedong jangkung melengkung. Kadangu ti kajauhan, “Susan kalo gedé mau jadi apa?” “Mau Suntik orang lewat! Jus jus jus...!!” *** Isukanna dayeuh ramé deui. Rajeg jalma-jalma ngajalajar. Tingseledek pada hayangeun asup ka balé kota. Nu geus di jero balé kota nyaranyi. Aya nu nyanyi Helli, aya nu nyanyi Susan. Aya nu nyanyi Anak Gembala. Aya nu nyanyi Diobokobok. Aya nu nyanyi Mana di Mana Anak Kambing Saya, jeung réa-réa deui. Katara ti kajauhan, di tengah balé kota aya Chica, Joshua, Tasya, jeung Ria Enes digarantung. Dina dadana ngajeblag tulisan: KACANG LUPA KULITNYA! Di béh kalérna, Boyband, Girlband, digarantung awakna wungkul. Duka ari mastakana mah, duka ka mana. Dina awakna ngajeblag tulisan: BEGOG SIAH AH! Uing, Susan, jeung Embé nyumput dina haté anjeun séwangséwang. *** September 2013 *) Rizky Prasasti Anwari, Mahasiswa JPBD UPI 19
  20. 20. Carpon Anton Chekhov F yodor Petrovich, Diréktur Departemen Urusan Sekolah Nasional Distrik N, katelah jalma nu ngarasa dirina adil tur béréhan. Dina hiji mangsa, manéhna narima sémah di kantorna. Éta sémah téh taya lian ti guru Vremenskii. “Teu bisa, Vremenskii,” pokna, “PHK moal bisa ditolak. Mun sora anjeun angger kawas kitu, anjeun moal bisa neruskeun jadi guru. Naha sora anjeun bet tepi ka kitu?” “Basa awak keur ngésang, kuring nginum bir tiis,” témbal Vremenskii. Sorana persis kawas ciricit beurit. “Hanjakal pisan! Geus 20 opat welas taun anjeun babakti. Bet ayeuna ngadadak ngarandapan musibah kawas kieu! Karir anjeun leungit ku perkara nu teu pira. Tuluy ayeuna naon tarékah anjeun?” Guru Vremenskii teu lémék sakemék-kemék acan. “Ari anjeun geus rarabi?” “Kuring geus boga pamajikan jeung anak dua…” Vremenskii nyiricit deui kawas beurit. Simpé sajongjongan. Fyodor nguniang tina méja, tuluy leumpang pulanganting ti hiji juru rohangan ka juru rohangan séjénna. Gulinggasahan naker. “Kuring bingung kudu kumaha!” Pokna. “Mun Awéwé terus jadi guru, tangtu moal bisa. Katambah umur anjeun gé can nepi kana waktu pangsiun. Tapi ngantep anjeun jadi pangangguran ogé teu hadé. Keur kuring, anjeun geus opat welas taun babakti kalawan hadé, tugas kuring jeung departemén taya deui iwal ti kudu mantuan anjeun. Tapi kumaha carana? Bayangkeun mun anjeun jadi kuring, ayeuna kuring kudu kumaha?” Kemba sajongjongan. Fyodor terus pulang-anting tur uteukna teu reureuh mikir. Sedeng Vremenskii nu keur dilimpudan ku kabingung, katémbong sarua keur mikir. Ngadadak paroman Fyodor katémbong marahmay. Malah ramo-ramona tuluy ngetrokan méja. “Anéh, kunaon kuring bet teu ti inget ti tatadi!” Pokna hariweusweus. “Kuring boga usul keur anjeun… Minggu hareup juru tulis di pondok piatu rék eureun digawé. Anjeun bisa ngaganti manéhna!” Vremenskii ngadadak asa kagunturan madu kaurugan menyan putih. Paromanna katémbong jadi cahayaan. “Alus pisan. Éta bisa jadi modal,” omong Fyodor. “Poé ieu anjeun kudu nulis surat permohonan…” Sanggeus ngaleupaskeun Vremenskii tina pagawéanana, Fyodor ngarasa teu deui ditapuk ku mangrébu bangbaluh. Malah manéhna ngarasa sugemaeun, lan- Manglé 2446
  21. 21. taran ayeuna hareupeun manéhna teu katémbong deui guru nu awakna bongkok tur sorana nyiricit kawas beurit. Manéhna gé ngarasa bungah naker, lantaran ku cara méré pagawéan jadi juru tulis ka Vremenskii, hartina manéhna geus jadi jalma nu adil tur ihlas. Tapi éta panyangka manéhna téh horéng teu lila. Mangsa manéhna mulang, Nastasia Ivanovna, pamajikanana ngadadak inget kana hiji perkara: “Aéh, méh baé hilap! Kamari Nina Sergeyevna sumping ka dieu. Saurna, aya pameget nu milari padamelan. Kapan di pondok piatu aya lowongan.” “Enya, tapi tempat éta rék dieusian ku batur,” ceuk Fyodor bari kerung. “Jeung deuih piraku teu apal kana aturan Akang. Can kungsi Akang mah méré tempat ka hiji jalma alatan aya rélasi.” “Abdi gé terang, tapi kanggo Nina Sergeyevna mah piraku teuing. Anjeunna mah ka urang téh tos cara dulur pet ku hinis baé, sedengkeun urang dugi ka ayeuna teu acan males kana kasaéanana. Ulah pisan kagungan niat nolak. Upami Akang nolak, hartosna Akang tos nguciwakeun abdi sareng anjeunna.” “Ari kitu, saha nu rék diusulkeunana? “Polzukhin.” “Polzukhin nu mana? Nu harita amprok di imahna Chatskii basa taun baru lain? Nu jéntelmén téa? Ah, ulah!” Fyodor nu keur segut barang dahar tepi ka ngarandeg heula. “Teu bisa!” Pokna deui. “Gusti masih nangtayungan Akang!” “Kunaon kitu?” “Ibu kudu nyaho, mun lalaki teu daék usaha sorangan, tapi usahana téh ngaliwatan awéwé, hartina ma néhna bisa narik simpati awéwé. Tukang lélétak téa kasebutna. Kunaon manéh- Manglé 2446 na teu datang sorangan ka Akang?” Sanggeus rérés dahar, Fyodor tuluy gogoléran dina sofa di kamarna bari macaan koran jeung suratsurat. “Fyodor Petrovich nu bageur!” Kitu unina surat ti pamajikan walikota. “Anjeun kungsi ngalandi kuring bisa maca eusi haté jalma. Ayeuna anjeun kudu ngabuktikeun ku kanyataan. Sakeudeung deui bakal datang lalaki nu ngaranna K.N. Polzhukin, lalaki nu tara nyieun codéka tur bisa narik simpati. Manéhna bakal ménta tulung sangkan bisa jadi juru tulis di pondok piatu urang. Mun anjeun narima manéhna, anjeun bakal percaya…” kitu sawatara eusi éta surat. “Teu bisa!” Ceuk Fyodor. “Gusti masih nangtayungan kuring!” Sanggeus manéhna nampa éta surat, saban poé manéhna terus narima suratsurat nu eusina rékoméndasi sangkan Polzhukin ditarima jadi juru tulis. Ku teu sangka atuh, isuk-isuk Polzukhin ngadadak datang ka imah Fyodor. Awakna katémbong bayuhyuh, maké baju hideung, tur potongan buukna persis siga joki. “Keur urusan kantor mah kuring tara narima jalma di dieu, tapi di kantor,” ceuk Fyodor sanggeus ngabandungan pameredih Polzukhin. “Hapunten, tapi sadaya rélasi abdi miwarang supados dongkap ka dieu.” “Hmm…” Fyodor ngagerendeng bari neuteup seukeut kana sapatu Polzukhin nu nyungcung tungtungna. “Kuring terang, cenah Bapa anjeun jalma aya, jadi anjeun moal merlukeun pagawéan nu ieu. Keur naon pagawéan ieu? Keur mah gajihna gé leutik!” “Kanggo abdi mah sanés artosna, tapi… Sareng deuih ieu mah urusan dines na- gara…” “Oh, kuring yakin, dina waktu sabulan anjeun bakal ngarasa bosen jeung bakal ninggalkeun pagawéan ieu, sedengkeun aya kénéh calon-calon juru tulis séjénna nu nganggap lowongan ieu téh karir saumur hirup. Aya jalma-jalma nu teu boga, nu…” “Abdi moal ngaraos bosen!” Témbal Polzukhin. “Abdi badé narékahan supados teu bosen!” Harita Fyodor ngarasa sirahna kawas nu rék bencar. “Kieu baé,” pokna bari seuri semu ngahina, “kunaon anjeun teu langsung nepungan kuring, tapi kalah ngaganggu heula awéwé?” “Abdi teu terang mun perkara nu éta temahna matak teu pikaresepeun,” témbal Polzukhin. “Tapi upami numutkeun Bapa surat-surat éta taya hartosna, abdi tiasa masihan surat katerangan ieu…” Manéhna ngaluarkeun kertas tina sakuna, tuluy diasongkeun ka Fyodor. Dina éta surat nu ditulis ku basa jeung tulisan kantoran téh horéng aya tanda tangan… gubernur! Mun disidiksidik, katémbong gubernur téh nanda tangan kalawan rurusuhan, teu maca heula eusi suratna, éstu sangkan leupas tina awéwé nu terus ngaganggu manéhna. “Dalah dikumaha. Kuring kudu gugon. Kuring ayeuna bakal tumut…” ceuk Fyodor sanggeus maca éta surat, tuluy ngarahuh panjang naker. “Heug, isukan anjeun nyieun surat permohonan… Dalah dikumaha deui…” Sanggeus Polzukhin indit, Fyodor tuluy meupeus keuyang, ngaluarkeun sakabéh kaijidna ka Polzukhin. “Tukang lélétak!” Gerentesna bari pulang-anting ti hiji juru rohangan ka juru rohangan séjénna. “Geus hasil tah Si Kasebelan téh! Tukang lélétak ka awéwé! Bangkarwarah!” Teu antaparah deui, Fyodor tuluy nyiduhan panto hareupeunana, padahal Polzukhin keur nyumput di satukangeun éta panto. Sabot kitu, ngadadak manéhna ngarasa baluweng nu pohara, sabab pamajikan Kepala Jawatan Pajak ngadadak asup ka rohangan manéhna. “Kuring moal lila, sakeudeung…” ceuk éta awéwé. “Diuk heula Bapa Baptis. Déngékeun kuring… Ceuk béja, di dieu aya lowongan gawé… Isukan atawa poé ieu bakal datang lalaki ka dieu, ngaranna Polzukhin…” Éta awéwé téh terus norowéco, sedeng Fyodor terus neuteup ku sorot mata nu nyidem kaceuceub. Isukna, mangsa narima Vremenskii di kantorna, Fyodor sajongjongan ngaheneng baé, teu nyaritakeun kajadian nu saenyana. Fyodor ngarasa baluweng, sarta bingung kudu kumaha nya pipetaeun. Manéhna hayang ménta hampura, nyaritakeun kajadian nu sabenerna, tapi létahna bet karasa seuseut kawas létah jalma nu mabok, ceulina ngadadak asa kaduruk, tur pangpangna mah manéhna ngarasa hanjakal nu pohara. Ngadadak peureup Fyodor tuluy neunggeul méja, tuluy ngajleng jeung ngajorowok: “Euweuh lowongan! Geura indit ti ieu rohangan!” Tuluy Fyodor kaluar ti éta kantor.*** Carpon Awéwé ditarjamahkeun ku Prayoga Adiwisastra tina carpon Ladies karangan Anton Chekhov. Ieu carpon kungsi ditarjamahkeun kana basa Indonésia dina antologi carpon Pengakuan (KPG, 2004). Vérsi basa Inggrisna dimuat dina website: www.readbookonline.net. 21
  22. 22. Handphone Carpon Hikmat Nugraha H ayang mah geus lila boga hp (hapé) téh. Kuring kabita ku kikirilikanana hp nu kapiadi. Bubuhan geus boga gawé manéhna mah, kabeuli hp. Hp teh jadi lifestyle, jeung jaga gengsi, pangpangna hareupeun bébéné, keur nu geus boga mah. Ari keur nu can bogaeun mah nya keur gaul wé. Atuh da lamun pareng wawawuhan jeung awéwé téh, sok marénta nomer hp. 22 Ayeuna geus kacumponan boga hp téh. Ku kuring dipaké pikeun wawa wuhan atawa komunikasi, boh jeung nu deukeut, boh jeung nu jauh. Malah aya nu keur di Malaysia ngirim sms ka kuring. Cenah manéhna téh pendengar setia RSI (Radio Singapura Internasional seksi Indonesia) nu saban peuting didéngékeun ku kulawarga kuring. Resep sotéh, bubuhan aya penyiarna nu urang Bandung, Entin ngaranna. Manéhna geus lila mukim di Singapura. Kawas ngadéngékeun Hidayat Ranumi hardja di Radio Australia. Asa deukeut, jeung asa ka dulur, najan paanggang gé. Enya tétéla geuningan ku hp mah, ka luar negri gé bisa dipaké da aya perusahaan telekomunikasi nu nga yakeun tarip husus pikeun user produk manéhna. Boga hp téh dipangmésérkeun ku Ambu, indung kuring. Pédah aya sésa tina ngarenopasi imah, saurna. Ngeunahngeunahna mah boga hp téh. Ngan palebah marabanana yeuh, rada uleng. Alusna, boga hp téh, informasi gancang katarima. Hayang panggih jeung nu kakara wawuh mah hasil tina chatting gampang pisan atuh. Goréngna, mun aya sms iseng. Telepon iseng lolobana mah miscall. Ayeuna mah diteundeun, disidem di kamar, da leungeun ateul, hayang mencét waé tombolna. Teu ngasms pasti nelepon atawa maen gim. Jadi pusing mikiran keur ngawaragadan pulsa-na. Aya éta gé pilihan harga, ti mimiti nu tujuh rébu, sabelas rébu nepi ka ratusan rébu. Ngan angger wé lieur mikiranana. Orokaya boga hp téh geuningan teu gampang, tetep wé kudu boga pangasilan. Untungna deuih kuring sakapeung sok boga duit tina ladang nulis, cukup keur meuli pulsa mah. Nyeta atuh kakara sadar kuring ge kabawakeun dikawasa ku tek nologi canggih. Apan bareto mah keur can usum, indit ka mamana tara ieuh mamawa HP. Teu naha teu nehe. Ari ayeuna mah teu bga HP teh apan mani asa longkewang naker. Geus dua kali hp téh contact service. Tilu kali malahan mah. Kungsi nepi ka opat poena diservis téh, panyakitna téh kitu jeung kitu waé. Bari mayarna mah angger, tapi teu walagri deui. Di pusatna mah geuningan ngan ukur lima puluh rébu rupia. Jaba bisa ditungguan, ukur saparapat jam, cageur deui. Garagarana, éta hp murag tina saku calana dina beus, dua minggu ka tukang. Maké rada ngarepngarep, iraha kabeuli deui hp. Batan kapok kalah gawok geuningan. *** Srigadis Juni 2013, Panglawungan 13 Manglé 2446
  23. 23. Arom Hidayat Lagu Parongpong Parongpong jalan ka Lémbang kalah panggih jeung pudunan teu wasa nanyakeun ngan ngamanggakeun nu undur laun-laun ngajauhan bareng jeung hiji péngkolan Parongpong jalan ka Lémbang barieukeun nempo kembang di dieu dipelak? Heueuh mangkak di dayeun nyeungitan peuting cenah lain, rék nyeungeut peuting kétah Parongpong jalan ti Lémbang kalah panggih jeung tapak sorangan sugan di pudunan nu itu boa di péngkolan béh ditu ari éta hégak saha? Inghak saha kawas keur mupus tanjakan Bandung, 2013 Sapanjang Pasoepati Rék naon nu dikotrétkeun dina témbok nu rakocét récét manuk dina kurung atawa simpé nu ngalaung ti cukleuk leuweung ka cukleuk lamping Rék naon nu diulaskeun kana kanvas nu bareueus rembes késang bulu taneuh atawa geutih nu teu reureuh disusutan ku cimata Bandung, 2013 Manglé 2446 23
  24. 24. Neang Paraji T umaninah lebah dieu teh lamun beurang mah. Jalanna datar jeung lurus, kaiuhan tangkal awi, rajeg sajajalan. Komo lamun nuju ngoprot kesang mah, calik luhureun batu, asa dipepe nde ku angin nu ngahiliwir. Tapi umpama peuting, kacida geueumanana, poek mongkleng butaraju. Tangkal awi pating reket katiup angin. Sora cihcir jeung jangkrik patembalan. Ceuk bapa kuring, di ieu wewengkon teh, baheulana, duka iraha da beja deui, pabeja-beja deui ti kolot baheula. Cenah aya nu miceun orok. Malah tisaprak harita dijadikeun pamiceunan orok. Orok nu ngahaja digugurkeun tina kandungan. Kawentar Nini Enoh, paraji nu tega baluas jeung bisa ngalakukeunana. Ti saprak harita wewengkon teh jadi angker, katelah Legok Orok. Lamun wanci peuting sok kacaturkeun aya sora orok ngagoar. Dina luhur batu sok aya jirim budak keur diuk. Sawareh ngabejakeun sok aya nu nangkod dina tonggong, nu mareuman obor, nu nepak, nu ceurik, nu kitu jeung nu kieu rea pisan kajadian nu teu ka hontal ku akal. Keur jalma ngompod, pamohalan wani nyorang 24 Ku Rian D. Firdaus ieu wewengkon sosoranganan. Kuring mah ngadenge beja pikasieuneunana, geus murinding bulu punduk. Pikumahaeun lamun kudu nyorang. Kungsi eta oge ari nyorang mah, sakali-kalina, bari harita teh teu ngahaja. Keur teu sadar, da lamun inget mah, sakumaha butuhna ge moal sosoranganan, rek menta dibatur an. Harita mah dilinglung keun, dipohokeun kana carita angkerna Legok Orok teh. *** Tabuh hiji peuting, mitoha lalaki ngaguyahkeun. Ngabejaan, cenah pamajikan karasa beuteung. Harita pamajikan keur kakandungan nincak bulan alaeun, enya kawasna rek ngalahirkeun. Sanggeus hudang, kuring teu nolih nanaon, teu loba pikir, teu loba tanya. Langsung ngagedig, maksud rek neang Nini Junti, rek dititah marajian pamajikan, da anjeunna teh paraji turunan ti Nini Enoh. Ari neang bidan, asa pamohalan da jarakna pohara jauh. Puskesmas Cisompet anu pangdeukeutna anggangna salapan kilometer ti lembur kuring teh. Kuring terus ngagedig. Pamajikan mah dibaturna mitoha ieuh, ti beh ditu mula geus maturan, ngen- dong. Sajajalan pikiran manteng ka pamajikan, lengkah digancangan, satengah lumpat, hayang geura nepi. Poek teu paduli, cape teu dirasa. Ceuk babasaan; tunggul ditubruk catang dirumpak. Lalampahan teu karasa, nepi kanu dituju. “Punten, punten…” ceuk kuring bari ngetrokan panto imah Nini Junti. Sakedapan teu aya nu nembalan, sabudeureun rehe comrek, hawar-hawar kadenge pating reket tangkal awi jeung pating korosak daunna, ka tiup angin. “Punten, punten…Nini aya, aya di bumi?” sambung teh bari ngareretan kaayaan imah jeung sabudeureunana. “Punten, Ni, Nini aya di bumi,” dibedaskeun ayeuna mah sora teh. Sanggeus sababaraha kali, kakara uluk salam kuring aya nu nembalan. “Saha?” sora nini-nini ti jero. “Dorong weh panto mah da teu ditulakan,” Bray, dibuka. Di tengah imah, Nini Junti keur nangunjar lambar bari nyeupah. Saking bungah, kuring teu basa-basi. “Nini… Itu pun bojo bade nga…” Nini Junti nempas “Nini geus nyaho,” nyiduhkeun seupah kana tampolong. “Si Nyai rek ngalahirkeun pan? Nini mah geus nyaho!” ditungtungan ku seuri ngaheheh kawas seuri Mak Lampir dina pilm-pilm. Bulu punduk langsung kukurayeun. Colohok bati heran jeung kaget. Naha Nini Junti seuri kitu. Jeung eta seurina kawas nu ngahaja nyingsieunan. Asa nongtoreng, napel na kuping ka denge wae. Breh, ingetan jadi kahudangkeun. Sadar, Gusti... Nya jeung saha uing kadieu, sosoranganan gening, mangkaning tadi teh nyorang Legok Orok, euleuh engke teh bakal kasorang deui, mulangna. Keun bae da engke bareng jeung Nini Junti... Ninggal kuring nungabetem Nini Junti cumarita deui. “Tong heran, aya nu kadieu pasti aya nu ngajuru, mun awewe hamil kadieu pasti menta digugurkeun kakandunganana,” pokna angger ditungtungan ku seuri ngaheheh, bulu punduk kuring tambah muringkak. “Muhun, pun pojo teh kawasna bade ngalahirekeun!” ngawani-wani kuring nyarita. “ diditu teu aya nu tiasa!” Nini Junti neuteup, teu nembalan. Kalah nyisig. Manglé 2446
  25. 25. “Jig we mulang deui! Nini engke nysusul, barudak can sare,” tembalna bari ngareret ka kamar. Di jero kamar kadenge sora budak recet, lenger. “Kumaha Ni?” “Hidep mulang tiheula, ku nini engke disusul, nini rek mepende heula barudak.” angger ditungtungan seuri. “Tapi Ni, Nini teu aya rencang!” tembal teh, bari hate mah miharep pisan babarengan, teu sanggup kudu mulang sosorangan mah. “Nini mah hayang sorangan. Jig hidep tiheula, da moal lila mepende mah,” tembalna ditungtungan seuri ngaheheh panjang, panjang pisan. Bulu punduk kuring beuki ngajadi-jadi. Teu loba tanya deui, awahing ku teukuat sieun ngadenge seuri Nini Junti, kuring nurut kana kahayangna. Na pikiran teh geus di luar mah rek ngagudrag tatangga Nini Junti, rek menta dianteur mulang Manglé 2446 mah. Laju pamit, Jrut, kaluar ti imah Nini Junti. Asa can lila, asa karek sababaraha lengkah, teuing teu karasa pedah bari raratreret ninggalian imah tatangga Nini Junti tea, kuring geus nyinghareupan batu. Bati ngajengjen, ret ka tukang, ret kasabudeureun, bati ngagebeg. Enya batu nu disinghareupan teh batu nu aya di Legok Orok. Gusti... kuring geus aya lebah dieu. Naha geus nepi kadieu, naha teu manggihan imah tatangga Nini Junti. Keur kitu, ti arah hareupeun katinggal aya seuneu ngagebur ngalayang. Awak ngeleper, babacaan beak karep. Seueneu nu ngagebur teh kalah ngadeukeutan, sautiksaeutik ngadeukeutan. Katinggal aya dedegan, hideung ngabelegbeg. Reg, dedegan jeung seuneu eureun. “Saha eta?” pokna Teu ditembalan. Kuring mundur, undur-unduran. Beretek, balik deui ka tukang. Meunang sababaraha puluh lengkah. Reg, ngreret ka lebah dedegan jeung seuneu ngagedur tea, angger aya, angger ngadeukeutan, nuturkeun. Beretek deui, sateker kebek muru imah Nini Junti “Ni, Nini, Niniiiii…” ceu kuring bari ngagedoran panto. Sababaraha kali gogorowokan tapi ti jero taya nu nembalan. Panto didorong pageuh ayeuna mah kawasna geus dikonci. “Nya kamana ari Si Nini, da tadi mah aya. Piraku geus miang, jeung maenya teu panggih di jalan.” gerentes teh bari ngareret ka arah jalan. Ngan gebeg teh, hate ngarenjag beak karep. Dedegan jeung seuneu nu ngagebur aya katinggal deui. Nuturkeun gening, ngabeberik. Kuring ngajengjen bati neutup seuneu nu saeuti-saeutik ngadeukeutan, kesang morolok dina sakujur awak. Seuneu terus ngadeukeutan. Ngadeukeutan, ngadeukeutan, katinggal ku kuring dedegan teh aya tilu. Panghareupna nyekel seuneu. Dedegan ngarandeg, kawasna neuteup ka kuring. “Saha eta?” sora dedegan. Teu diwalon sanggeus sababaraha kali nanya kakara di tembalan. “Saha nu nyekel seuneu?” “Ehh, kalah malik nanya,” tembalna bari ngadeukeutan, kuring beuki sowak. Dedegan beuki deukeut, beuki deukeut ray-rayan jelas. Horeng dedegan teh mitoha lalaki, tukangeunana aya Nini Junti jeung lanceuk. Ari nu hurung ngagebur mah obor nu dibawa. Gusti, kawasna nu tadi di Legok Orok ge aranjeuna. Obor, nu disangka seueneu ngalayang teh. “Hidep gening,” ceuk mitoha, geus sidikkeun meureun ka kuring. “Itu budak ceurik neangan bapana, nya ka mana? diteangan tadi teh, rek diajak ngajajapkeun mulang Nini!” Sakedapan ngabetem. “Kapan nyusul Nini Junti,” “Har, kapan Nini Junti mah ieu.” saurna bari ngareret ka Nini Junti. “Sateu acan hidep dihudangkeun, Nini mah tos aya di bumi, tos disusul ku bapa samemehna.” “Harr…” kuring bati ngabetem. Heran, asa teu ngarti. Pan tadi teh Nini Junti keur nangunjar lambar bari nyeupah, miwarang tiheula da rek mepende barudak. Ret kasabudeureun. Gusti, tadi mah da nu rajeg teh tangkal awi. Enya ieu bumi Nini Junti mah, rea tangkal junti ngurilingan bumina. Ceuk beja, bumina ge tina kai junti kabehanana. Matak dilandih Nini Junti da aslina Karnasih.** 25
  26. 26. R.S. Harjapamekas nu Namper na Diri Kuring T aun 1957 Jurusan Basa jeung Sastra Jerman ngawitan dibuka. Harita mah disebut kénéh PTPG anu hartosna Perguruan Tinggi Pendidikan Guru. Sanggeus milih sababaraha jurusan nu aya, sim kuring milih jurusan sastra Jerman. Enya, basana téh milih da harita mah asal rapot ti SMA alus pasti katampa malah teu sabaraha lila sim kuring mah meunang béasiswa sagala anu jumlahna cukup keur waragad hirup sederhana bari indekos di wewengkon Ledeng, ngarah deukeut ka kuliah. Kuring kaasup kana kelompok mahasiswa angkatan munggaran anu lobana teu sabaraha mun teu salah mah ngan ukur salapan urang. Dosénna ogé teu loba ngan duaan: kahiji urang Suis ngaranna Dr. C. Korondo Funk, ari anu kadua nya éta Pa Marbun téa harita mah anjeunna kaitung asistén kénéh. Sakali mangsa dina taun 1958 asana mah lamun teu poho kuring meunang béja réhna rék aya dosén anyar, bangsa urang, alihan ti Bogor jenenganana Bapa R.S. Harjapamekas. Dina waktosna anjeunna mimiti masihan kuliah, kuring geus meunang exellent first impression: ti luhur sausap rambut dugi ka sampéanana istuning rapih beresih jeung berséka. Raksukanana beresih rapih kenging nyetrika mani nyérépét, sapatuna hérang méncrang kenging nyemir. Raksukan, jas jeung kaméja sarta lancingan nu dianggo salawasna nyetél pisan. Langkung payus upama anjeunna nganggo topi lakén. Cék barudak ngora jaman harita mah kasebutna 26 Ku Antoni Barbo pangadeg Bapa Hardja téh many dandy téa cenah. Sajabana ti éta anjeunna sok nyandak tas jingjing anu aya tutupan. Ari ceuk kuring mah tas anu salawasna dicandak ku anjeunna téh éstuning beuki nambihan pamantes. Kabéhdieunakeun kuring nyaho yén eusi tas téh sanésna ti buku kaperyogian kuliah, aya kantong leutik wadah kacamata, payung leutik anu tiasa ditilep kénging ngagaleuh anjeuna basa di Jerman sareng aya cepuk leutik nu disebut kleine Ascehenberche anu fungsina kanggo wadah sekar sareng kuntung roko saparantos anjeunna nyesep, kumargi anjeunna mah sagala ogé tarapti tara sagawayah miceun kuntung roko dimana waé. Perkawis roko anjeunna kagungan resep nyalira supados henteu aya mudaratna kana kaséhatan saurna ... nyaéta dinétralisir ku ngaleueut cikopi. Wallahualam ku émut sim kuring mah, tapi anjeunna tos ngabuktoskeun nyalira jagjag waringkas dugi ka sepuh. Apan nalika jumenengna ogé yuswana méh 90 taun. Basa kuring mahasiswa kénéh, anjeunna ngawulang Syntax anu eusina ngawengku tata cara ngedal keun naon nu ku urang arék diomongkeun maké sababaraha cara anu béda tapi eusi jeung maknana henteu robah. Tangtu dina nerapkeunana aspek-aspek gramatika ogé kudu anu tetep diperhatikeun. Keur kuring, matakuliah anjeunna karasa pisan nulunganana. Kuring jadi biasa diajar ngapalkeun sababaraha modél anu unggelna sarua kénéh tapi maké sababaraha cara ngedalkeunana. Kabeneran kabehdieunakeun sabada kuring lulus diangkat jadi asisten dipapancénan ngawulang diantarana: Uebersetzung Deutsch-Indonesisch/Indonesisch-Deutsch (tarjamah tina basa Indonesia ka basa Jerman jeung sabalikna) atuh matakuliah anjeunna téh pohara loba pisan mangpaatna. Nepi ka ayeuna kuring inget kénéh seratan panangan anjeunna éstuning rapih pisan, atra ipis kandelna sareng gampil diaosna. Kuring jadi inget baheula jaman Pasundan di tingkat SD aya palajaran nulis nyaéta nulis ipis kandel téa, Bapa Hardja meraktekkeun cara nyerat ipis kandel iyeu. Upami anjeunna nyarit éstuning tarapti pisan tara rurusuhan. Malah upami ditelek-telek, saupami anjeunna nyarios basa Jerman tara pisan aya salah dina milih kecap, waktu, deklinasi, modus, intonasi, jeung sajabana. Ari perkara perhatosan jeung pangdeudeul anjeunna kana miara jeung ngarumat basa Sunda sakaterang simkuring konstribusi anjeunna ogé henteu leutik. Anjeuna raket ogé hubunganana sareng Jurusan Basa Sunda. Sok sering riung mungpulung sareng para dosén Basa Sunda. Mun teu salah anjeunna ogé aktif ilubiung di Lembaga Penelitian jeung Pengembangan Basa Sunda anu kantorna luhureun kantor Fakultas anu harita disebut FKSS kénéh. Ari anu karasa pisan ku kuring mah anjeunna sok ngoréksi lamun sim kuring salah maké kecap keur diri sorangan atawa keur nu lian. Apan dina basa Sunda mah loba kecap anu bener Manglé 2446
  27. 27. keur diri sorangan, keur nu lian, keur nu dipihormat jeung sajabana. Lamun éta kecap patukeur tangtos salah. Tah dina urusan ieu Pa Hardja ahlina. Aya hiji deui minangka pangélingngéling silaturahmi kuring jeung Pa Hardja. Kuring mahasiswa kénéh harita téh milu ilubiung dina organisasi Senat Mahasiswa kapapancénan milu aktif dina bagian hubu ngan luar nagri. Pa Hardja harita nuju studie opdarcht di Braunschweig. Asana mah nuju studi bari badé nyusun disertasi perkara comprative education. Di Braunschweig jenenganana Prof. Dr. Georg Eckert, anu jabatanana salaku Direktur Schrulbuchinstitut salah sahiji institut anu aya dina bawahan UNECSO anu pancénna medar buku palajaran kanggo sakola jeung paguron luhur utamina anu aya di wewengkon Eropa. Ku jasa anjeunna jurusan Basa jeung Sastera Jerman IKIP kungsi narima sumbangan sarébu jilid rupa-rupa buku pelajaran tina basa Jerman. Ku jasa anjeunna atuh harita mah jurusan Basa Jerman téh ngabogaan perpustakaan anu panglobana buku diantara perpustakaan jurusan nu aya di IKIP harita. Ari kuring harita salaku anu kapapancénan ngurus hubungan luar nagri di organisasi Senat Mahasiswa ku pangdeudeul Bapa Hardja kuring oge milu ilubiung ngayakeun korespondensi jeung Auslaendische Amt Studentenausschuss der paedagogischen Hochschule Braunschweig (kira-kira sarua jeung bagian hubungan luar nagri paguyuban mahasiswa Sakola Tinggi Pedagogik di Braunshweig). Malah ku pangrojong Bapa Hardja ogé kuring pipilueun susuratan jeung Prof. Eckert jeung kungsi dibéré hadiah sababaraha buku jeung potret Prof. Eckert sasarengan duta besar Indonésia di Jerman jaman harita. Sanggeus kuring jadi dosén, malah asana mah ti sabada kuring diangkat jadi asisten ogé silaturahmi jeung Pa Hardja téh asa beuki deuheus baé. Malah anjeunna mah ngabasakeun anjeunna ka kuring téh akang jeung lamun nyaur kuring Manglé 2446 nyebatna téh ayi Tony. Ari keur kuring tangtu nyugemakeun pisan tapi paralun sieun dilebok maung kuring teu pisan pisan wani nyebut kang Hardja sieun hapa hui. Jadi kuring mah nyebat anjeuna téh tetep bapa waé. Keur kuring mah anjeunna téh tetep guru lain wungkul dina widang Basa Jerman tapi loba pisan hal-hal sanésna éstuning pieunteungeun pisan. Dina widang élmu sanésna Pa Hardja seueur pisan perhatosanana sapertos: ilmu komputer. Harita mah komputer can ilahar jiga ayeuna. Kuring ogé can nyaho anu disebut komputer téh kumaha bungkeuleukanana, tapi Pa Hardja mah tos mayunan nekunan ilmu komputer bari nyusun diantarana ajaran kompilasi ngeunaan istilahistilah anu biasa dipaké dina dunya komputer. Widang sanésna anu ditekunan ku Bapa Hardja sakanyaho kuring mah nyaéta Basa Latin, nalika jumenengna anjeuna tos hasil nyusun Kamus Basa Latin anu kalintang diperyogikeunana ku urang. Dina perkawis ieu hiji waktos anjeunna nyarios ka simkuring: “Yi Tony, di masyarakat mindeng ungkapan <mensana in corpore sano> dihartikeun majar téh dina raraga anu sehat aya jiwa anu sehat. Pan ieu téh henteu bener, saur anejunna. Kapan anu gélo ogé aya anu jagjag waringkas. Jadi tarjamaahan tadi pasalia jeung kanyataan. Kajadian ieu téh kulantaran urang salah nyutat ucapan urang Yunani/Romawi tea. Ieu téh sabenerna mah mangrupa doa urang Yunani anu sakedahna unggelna kieu: “Muga-muga dina raga anu sehat jiwana ogé séhat!” Dina taun 60-an kuring kakapancénan migawé pangwangunan komplek pendidikan nu lokasina di Tutugan Leles. Sakali mangsa Pa Hadrja, duka keur kaperyogian naon kuring geus poho deui, sumping ka pagawéan kuring di proyek. Sababaraha karyawan kuring anu harita araya di dinya marunjungan ka Pa Harjda bari ngaromong bapa Camat, bapa Camat cenah. Kabéh dieunakeun kuring nyaho yén pa Hardja téh kantos jeneng Camat di Kadungora. Anjeunna teu kinten dipikawanoh ku para warga di Kadungora kumargi sok turni lebet kampung nganggo sepeda. Blusukan téa meureun ku basa ayeuna mah. Pangalaman anu sarua ku karandapan basa kuring babantu digawé di Kotamadya Bandung. Basa kang Otje jadi walikota Bandung kuring dipénta ku anjeunna babantu di sekertariat partnersip BandungBraunschweig. Kantorna ngahiji kénéh jeung bagian anu sanés di Jalan Wastukencana. Sarua kajadianana, kuring kasumpingan pa Hardja, tadina mah kuring rék ngawanohkeun anjeunna ka babaturan ti bagian sanés tapi saruaangan kénéh. Tapi teu kantos der ngawanohkeun da aranjeunna tos wanoh manten ka pa Hardja, sung song marunjungan, malah salah saurang nyaletuk ka kuring: ieu téh kapungkur mah Bapa Wadana Karéés tea, Ton. Bari melong ka kuring. Ti harita kuring jadi nyaho yén Pa Hardja kantos dibenum diwewengkon kotamadya Bandung janten wadana di wilayahah Karéés. Sakali mangsa sim kuring kasumpingan pa Hardja miwah ibu ka rorompok di Cihampelas. Kulantaran harita téh indung kuring ogé keur aya di imah nya ku kuring anjeunna ditepangkeun ka Pa Hardja. Bari ngobrol ka ditu ka dieu tungtungna obrolan indung kuring jeung anjeuna téh sanaos bari direumbeuy ku basa Walanda beuki lia beuki nyarambung kulantaran pa Hardja jeung indung kuring téh sarua cenah sami-sami terah ti Manonjaya. Sabenerna loba kénéh pangalaman sim kuring babarengan jeung pa Hardja téh tapi kuring sieun beuki loba waé nyieun kasalah utamina dina ngedalkeunana dina Basa Sunda. Keur kuring mah pa Hardja tetep mangrupa hiji figur anu kalintang dipihormatna, picontoeun sareng pieunteungeun pisan keur kahirupan urang utamina dina perkara disiplin waktos, pasini jangji, ngajénan nu lian, perkawos anggoan, etiket, silaturahmi jeung sasama.*** 27
  28. 28. Festival Tari Kreasi 2013 UPI Bandung Ngawangun Jiwa Kawirausahaan B ulan Oktober taun ieu, perrupa,” kitu Agus netelakeun ka sisna tanggal 21-23, JuruMangle sumanget naker. san Pendidikan Seni Tari Agus ngeceskeun, udagan sejen Fakultas Pendidikan Bahasa dan ku digelarna eta kagiatan nyaeta Seni (FPBS) Universitas Penningkatkeun daya kreativitas didikan Indonesia (UPI) Bandung siswa/rumaja dina widang seni tari baris ngayakeun kagiatan akbar, (kreasi) nu sumberna idiom-idiom “Festival Tari Kreasi Katagori Baruseni tradisi saban daerah di Jawa dak jeung Rumaja Tingkat Jawa Barat. Ningkatkeun daya kreativiJawa Barat sarta Bazar Prodak Kretas guru seni/pelatih tari, hususna atif 2013”, di Gedung Kebudayaan dina implementasi proses belajar UPI. Jl. Dr. Setiabudhi No.229 mengajar (PBM) seni tari di sakola Bandung. Ieu kagiatan digelar ramboh formal boh nonformal berbapak gawena Tim Peneliti, Jurusan sis integratif. Himpunan Mahasiswa Pendidikan Saterusna cumpon ayana ruang Seni Tari FPBS UPI apresiasi siswa/barudak rumaja Dr. Frahma Sekarningsih, M.Si, jeung masarakat nu sehat tur lugKetua Jurusan Pendidikan Seni ina. Salian ti ti eta deui ayana beTari FPBS Universitas Pendidikan ungkeutan sinergitas jeung Indonesia (UPI) Bandung neteeksistensi sanggar seni jeung lakeun, kagiatan festival tari kreasi kelompok MGMP seni budaya tingkat barudak jeung rumaja satingkat kota/kabupaten di Jawa Jawa Barat ieu teh agenda mayeng, Barat, sarta nu utamana pisan tunu udaganana taya lian nyitak muwuhmekarna jiwa kawirausakreator-kreator unggul ‘berbasis haan mahasiswa seni tari FPBS kawirausahaan’. Salian ti eta para UPI berbasis wirausaha seni terpembimbing baris ngatik tur ngapadu enggoning ngawujudna ping mahasiswa-mahasiswana anu ekonomi kreatif sarta usaha bisa ngamalirkeun kaparigelanna mandiri. Agus Supriyatna, S.Sn., M.Pd., ”Ngawaluyakeun ajen seni tari kreasi enggoning ngawatur ngabogaan jiwa interprener Festival ieu diajangkeun keur ngun jiwa kawirausahaan” /kawirausahaan. “Tah ku kituna barudak (PAUD/TK, SD ) jeung rukagiatan ieu ge baris dipatalikeun kumaha san, sakaligus pemberdayaan alumni nge- maja (SMP/SMU/SMK sarta nu sadaracarana nyiptakeun sarta ngawanohkeun unaan lapangan gawe,” pokna. Mangpaat jat). Domisili patandang dumuk di we tari kreasi sangkan dipikawanoh jeung eta kagiatan, ceuk Agus deui, salian ti wengkon Jawa Barat. Pamilom festival, dipicinta ku sakumna masarakat,” pokna. ngawangun karakter barudak didik, oge dina wangun kelompok nu jumlahna 3 Frahma negeskeun deui, mangpaat tina keur nambahan pangaweruh jeung pa- nepi ka 5 urang. Saban sakola atawa Sangeta kagiatan nu leuwih utamana, nyaeta ngalaman keur guru atawa dosen, oge anu gar bisa ngirimkeun patandangna leuwih ngawangun ahlak tur karakter ngaliwatan leuwih penting ngawujudkeun kreator- ti hiji kelompok. widang atikan boh formal boh nonformal. kreator unggulan, nu baris nyiptakeun Patandang anu kabiruyungan pinunjul Kaasup dijerona, atikan widang seni tari kreasi-kreasi anyar tongtonan tur tungtu- 1, 2 jeung 3, katagori barudak baris dileler nan balarea. hususna. Tropy, Sertifikat, duit kadeudeuh sarta Ku digelarna ieu kagiatan dipiharep Produk Sponsor). Patandang pinunjul 1, 2 Tumali jeung eta kagiatan, Ketua panata calagara Festival Tari Kreasi 2013 , baris ngawujud kreator-kreator unggulan, jeung 3, katagori rumaja baris narima Agus Supriyatna, S.Sn., M.Pd., netelakeun nu ngabogaan daya kreasi luhung. Jadi rea panghargaan wangun (Tropy, Sertifikat, digelarna eta kagiatan jadi ‘brand’ (prodak mangpaat nu baris dipetik tina eta ka- duit kadeudeuh jeung Produk Sponsor. jurusan nu dipiharep bisa jadi ‘ajang giatan tur jadi angen-angen keur ieu lem- Salian ti eta keur patandang nu kabiruyurekrutmen’ calon-calon mahasiswa ka eta baga. Jeung mudah-mudahan ieu kagatan ngan jadi Penampil Favorit, katagori barujurusan. “Beh dituna, para lulusan geus jadi kalender taunan lembaga. “Ieu ka- dak jeung rumaja baris narima pang sayaga nataharkeun dirina jadi enter- giatan teh salian ti midangkeun prodak hargaan wangun Sertifikat, duit kadeu prener, wirausaha mandiri. Salain ti eta ieu kreatif multi guna, i eta oge minangka deuh jeung prodak sponsor.*** kagiatan ge mangrupa ajang promosi juru- media pembelajaran seni tari, musik jeung (nay) 28 Manglé 2446
  29. 29. DI KIWARI MACA BIHARI Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Bilatung Ninggang Dagé M ULANG ngamoderatoran ti Lémbang, Rebo (2/10) peuting, samobil téh jeung Kang Tjétjé (Hidayat Padmadinata, THP), anu tas méré ceramah. Lebah jalan Setiabudi, tengah peuting, HP Kang Tjétjé disada. Aya nu nelpon hariweusweus, nyaritakeun Ketua Mahkamah Konstitusi, Akil Mochtar, kacerek deleg ku KPK narima “suap” di imahna, komplek menteri, Jl. Widya Chandra III no. 7. Tayohna, Emma nu nelepon kang Tjétjé téa, keur ngabandungan “berita malam” di salah sahiji stasiun tv. Kuring mah ngadéngé béja kitu téh teu wudu reuwas. Tapi Kang Tjétjé mah éstuning teu reuwas teu sing. “Akil Mochtar tertangkap tangan KPK keur akang mah lain berita, Ém. Akang apal saha Akil, da kungsi sakomisi keur jaman di DPR-RI.” Ukur kitu réaksi Kang Tjétjé. Mireungeuh réaksi Kang Tjétjé nu ngan ukur kitu téa, katurug-turug aya kecap “keur akang mah lain berita” bet panasaran naon sababna. Horéng kitu geuning dongéng ti Kang Tjétjé mah perkara Akil Muchtar téh. Geus aya cupat ti béh dituna kénéh, ti saméméh jeneng jadi Ketua Mahkamah Konstitusi (MK) ari kana basilat mah. Kari-kari ayeuna jeneng, piraku teu makmak-mekmek. Teu mustahil, kalakuan basilatna téh ti mangsa manéhna ukur jadi hakim di MK. Tayohna mah ngincer-ngincer wé hayang jeneng jadi Ketua MK téh. Lain ku lantaran ngabogaan program hadé atawa hayang nanjeurkeun hukum. Tangtuna gé malar leuwih laluasa ngaduitkeun kalungguhanana, utamana tina “sengkéta pilkada”. Merenah pisan upama paribasa bilatung ninggang dagé téh dikeunakeun ka Akil Mochtar. Ku lantaran ditetepkeun dina undangundangna yén putusan MK, kaasup putusan ngeunaan “sengkéta pilkada”, téh “final dan mengikat” piraku teuing teu matak sarieuneun nu kabeneran kalibet “sengkéta” téa. Sieun perkarana diéléhkeun ku MK. Mangkaning apan aub kana Manglé 2446 pilkada téh aragadna lain lumayan. Piraku duit mangmilyar-milyar nu geus dibéakkeun dina kampanyeu téh kudu leungit kitu baé ukur ku salambar putusan ti MK. Atuh basa aya nu nawaran majar MK bisa ngatur putusan asal daék nyogok, piraku teuing teu diheueuhan. Tétéla MK bisa disogok téh lain ngan saukur rumor wungkul. Tina kacerek delegna Akil Muchtar gé geus teu bisa dipungkir deui yén tétéla enya, MK téh lain lembaga hukum nu teu beuki duit. Ti “sengkéta pilkada” Kabupatén Lebak wungkul, geus karuhan Juragan Akil Mochtar téh bakal nyakuan duit paling copél samilyar upama teu kaburur kacerek deleg mah. Can tina ”sengkéta pilkada” di Kabupatén Gunung Mas, Kalimantan Timur, anu rarancangna mah baris setor ka Akil Mochtar téh teu kurang ti tilu milyarna. Jumlah anu geus pasti moal kahontal ku jalma-jalma nu pakasabanana saukur samodél urang mah. Piraku teu ngarti éta juragan Akil, yén MK téh sasat mangrupa bénténg pamungkas enggoning nanjeurkeun kaadilan jeung bebeneran. Piraku teu ngarti, yén wibawa MK téh kudu dijaga, malar sakumna rahayat percaya. Piraku teu ngarti, yén sugri nu dijenengkeun di MK téh ulah sok culamétan, kabita ku paméréan, komo daék punta-pénta mah. Ana geus kieu, ana geus katohyan yén Ketua MK,Akil Mochtar, (nu ayeuna geus henteu diaktipkeun deui), bénténg kaadlian téh runtuh. Demokrasi, burakrakan. Apan cék dina téorina gé démokrasi téh diwangun ku tilu pilar. Nu kaopat cenah mah média massa. Ari anu tilu pilar téa, anu disebutna “Trias Politica” téa, diwangun ku éksékutif, legislatif, jeung yudikatif, atawa pamarentah, lembaga parlemén jeung lembaga hukum. Tiluanana ngabogaan pancén silih talingakeun. Horéng démokrasi di urang téh henteu nganut sistim “Trias Politica”, tapi cék Kompas mah “Trias Korupsia”. Lembaga adeg-adeg demokrasi téh tiluanana geus mangrupa lembaga korup. Da bongan réa pisan oknum-oknumna di éta tilu lembaga téa ngadon karorupsi. Di éksékutif réa nu korupsi, Di legislatif réa nu korupsi. Di yudikatif, saméméhna mah iwal ti MK, réa nu korupsi. Ari ayeuna, sabada MK diluluguan ku Akil Mochtar, tétéla éta lembaga téh geus katerapan panyakit korupsi, cara nu kaalaman ku dua pilar démokrasi lianna. Tur cilakana téh nu katohyan korup téh di MK mah gegedugna pisan. Tug padahal MK téh bénténg pamungkas enggoning nanjeurkeun hukum jeung kaadilan. Salila ieu réa pihak-pihak nu mibutuh kaadilan anu mercayakeun ka MK. Naon nu diputuskeun ku MK dipercaya mangrupa putusan nu pangadil-adilna. Ku lantaran kitu MK dipercaya pikeun ngaréng sékeun pacogrégan pilkada. Calon nu teu narima éléh ku lantaran ngarasa dilicikan ku nu meunang kaci ngadu ka MK. Naon nu diputuskeun ku MK wajib ditarima ku pihak-pihak nu keur pagétréng lantaran putusan MK mangrupa putusan anu sipatna “final dan mengikat” téa. Ayeuna kabuktian yén MK téh horéng bisa diajak maén mata. Putusanana gumantung kana gedé leutikna duit. Anu gedé paméréna geus tangtu baris meunangna. Geus katohyan kitu mah MK téh jadi leungiteun kapercayaan. Réa nu meredih malar Akil Mochtar nu katohyan narima suap ditibanan hukuman mati. Alesanana mah ku lantaran Akil Mochtar gus ngancurkeun pilar demokrasi pangahirna dina widang hukum. Jeung ongkoh apan kungsi Akil Mochtar mah jiga nu heueuh ceuceub ka koruptor. Da apan pokna gé koruptor téh kudu dimiskinkeun jeung kudu diteukteuk ramona. Ayeuna katohyan pisan yén nu korupsi téh manéhna sorangan. Daékkeun kitu, éta bilatung ninggang dagé téh lamun diteukteuk ramona? *** 29
  30. 30. Mayit Luhureun Kuburan Ku MamanRachman B udak teh gawe ukur ngalungsar. Dahar dihuapan, hudang dihudangkeun, estu teu bisa nanaon pisan. Geus puguh nyarita mah ngan ukur bisa ah eh. Hirup diurus ku Nini jeung Aki, anu kacida pisan nyaahna. Kawantu incu ngan hiji-hijina oge ti anak nu ngan hiji-hijina. Indungna mah duka kamana,indit teu puguh leosna. Ninggalkeun wiwirang keur nu jadi indung jeung bapa. Manehna korban lalaki biadab, nu ngagadabah kahormatan dirina salaku awewe. Kajadian kitu jadi meunggaskeun sakabeh harepan hirupna. Nu biasa getol ngaji ka masjid, ka jinisna jadi pada ijid. Babaturanana ngajarauhan. Mun pareng amprok, panonna siga nu sing pundelik, bari haharewosan. Geus pasti pada ngaro mongkeun dirina. Ahima manehna kaluar ti imah, lunta nuturkeun indung suku sakaparan- paran. Indit duka kamana, neangan dulur da teu boga dulur. Neangan baraya da puguh teu boga baraya, tungtungna kaluntalunta. Lain teu usaha manehna miceun wiwirang.Sababaraha kali,utun inji rek digugurkeun dina waktu masih keneh dina jero beuteung. Diubar kampung mah diubar kampung, diurut mah diurut malah nepi ka dipencetna sagala rupa Manglé 2446

×