Successfully reported this slideshow.
We use your LinkedIn profile and activity data to personalize ads and to show you more relevant ads. You can change your ad preferences anytime.
M
un téa mah aya nu pok yén anugerah budaya téh
rutinunggaltaun,sanésmaksadnasindirsampirka
nu kagungan damel. Teu pisan-p...
PURIDING PURINGKAK
Ngusir Jurig
H.Usep Romli HM .......................... 24
UNAK-ANIK
Shilah Suci Anugrah
Ustadah Lampar...
Kuli Kiwari
U
mangkeuhna mah ékonomi
téh stabil cenah. Kitu deui
pertumbuhanana. Tapi
waktu dolar jadi nitih Rp
11.000,00,...
4 Manglé 2440
Kantun Ngawaris-
keunana
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Nyi Manglé daramang?
Hatur nuhun atuh pami
dar...
Manglé 2440 5
D
i jajaran ondangan nu keur
aranteng diuk di jero pen-
dopo, horéng geus nyampak
H. Rukruk Rukmana, juru pi...
6
“Saleresna sanés baé ku hadiahna
anu prestisius, nanging ogé ku
pengakuan ti pamaréntah ka seni-
man tradisi anu teu kin...
Manglé 2440 7
langkung utamina deui mah nyaéta
karya-karya aranjeunna karaos pisan
ayana, sareng katingal pisan ajénna,
du...
Manglé 2440
D
ua poe
teu ngantor,
babaturanana silih
tanya, aya naon ari Sun-
dari? Na tulus Umrohna
jeung Rayanti sobatna...
Manglé 2440 9
payuneun tatamu tea,
munjungan heula ka ibu di
Cianjur , neda pidungana
arek demo payuneun
pangagung. Sapert...
10 Manglé 2440
Bagian
171
Peuting ka-192
Mantri gura-giru
muru istana. Teu nolih
ka nu ngajaga, blus wéh
ka rohangan tempa...
Manglé 2440 11
Ama!”
Komarujaman
nyaritakeun deui
pangalamanana. Persis,
saperti nu dicaritakeun
ka mantri. Ngan,
saterusn...
12 Manglé 2440
K
olot Nyi Rapiah lila teu
kasaba, teu kapéntaan
ku anak téh, teu di-
jieun héran, disangkana Aom
geus bage...
Manglé 2440 13
paké panas-peurih, sakumaha
ilaharna anu
dipangnyandungkeun, moal
saha deui jaba ti ... maruna,
Agan Sarini...
S
olat mangrupa ibadah nu di-
paréntahkeun langsung ku
Alloh SWT ka Rosul-Na tanpa
perantaraan. Solat mangrupa ibadah
nu b...
Solat sunah loba kacida
macemna ngan dina bahasan ieu
mah cuang tekenkeun baé kana solat
rowatib. Lantaran solat rowatib m...
Jual Beuli Saham
Patarosan:
Ais pangaping Tanya Jawab Munara
Cahya anu dipihormat. Kumaha perkawis
hukum jual beuli valuta...
T
aun ieu, Paguyuban Pasundan
(PP)pancegsaabad(saratustaun).
Nilik tina umurna, geus tunggang
gunung, dina rengkak jeung l...
18 Manglé 2440
(1)
Setiap habis Ramadhan
hamba rindu lagi Ramadhan
saat-saat padat beribadat
tak terhingga nilai mahalnya
...
Manglé 2440 19
Street- maéhan manéh.
• Leon Fraser -présidén Bank of Interna-
tional Settlements- sarua maéhan
manéh.
• Iv...
20 Manglé 2440
B
aju hideung
polos nyempod
di juru lomari.
Datang deui
baju anyar nu
digantungkeun gigireun-
ana. Marun nu...
Manglé 2440 21
emas asli ogé aya. Baju
Hideung polos ukur nga-
heruk. Da éta Marun mah
nyaritana téh maké ditung-
tungan k...
22 Manglé 2440
K
eur gogoléran
di kamar ka-
déngé sora
dulag ngadu-
lugdag.
“Alhamdulilah isuk mi-
miti puasa,” ceuk kurin...
Manglé 2440 23
dibobodo THR dibagikeun
sapoé méméh lebaran ka-
hayangna teu beunang
dicaram.
“Nya heug atuh ari
maksa mah....
24 Manglé 2440
K
eur jaman aya
AbahDukun
Juhadma, sakur
urusan goib nu
kajadian di lem-
bur Pasir Bulistir, pasti jadi
bag...
Manglé 2440 25
Opat puluh poe opat puluh
peuting teu kararaban
nanaon.Mati geni bari
ngadaplok di para hawu.
Tempo buka, h...
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Mitra Sunda - Mangle 2440
Upcoming SlideShare
Loading in …5
×

Mitra Sunda - Mangle 2440

11,908 views

Published on

Mitra Sunda - Mangle 2440

  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

Mitra Sunda - Mangle 2440

  1. 1. M un téa mah aya nu pok yén anugerah budaya téh rutinunggaltaun,sanésmaksadnasindirsampirka nu kagungan damel. Teu pisan-pisan rék nyebat- keun yén masrahkeun anugerah budaya ka nu dianggap gedé jasa jeung rancagé téh ngan saukur pagawéan rutin anu geus jadi program pamaréntah ti tingkat kabupatén / kota, propinsi jeung di tingkat nasional. Biasana ieu program téh sokdilaksanakeundinararagamiélingHariKemerdekaanRI, sabudeureun tanggal 17 Agustus dina saban taun. Sangkan ieu kagiatan henteu dituding ngan ukur pa- gawéan rutin, panitia pasti tos ngémutan sangkan ieu prog- ram téh ngeusi. Ngeusi téh dina harti teu sagawayah, teu sakadar aya, teu ka saha waé gubragna. Panitia anu katitipan ieu program pasti tos nangtukeun kriteria pikeun netepkeun saha-sahana nu kasinugrahan anugerah budaya dina sa- taun-sataunna. Dugi ka taun 2013, ieu kagiatan téh langgeng dilaksana- keun. Malah kasebat hiji program anu ngamotipasi para- aktifis budaya pikeun terus ngeletek makarya dina widangna masing-masing. Dugi ka ayeuna katingal ieu anugerah téh tos kaétang walatra sareng merenah. Walatra hartina ka- papay dina masing-masing widang. Merenah dina harti jalmi anu kasinugerahan téh mémang geus katingtal tapak lacakna dina ngahirup huripkeun budaya ku balaréa sarta kabandungan ngeletek makaryana téh éstu jorojoy tina karepna jeung kanyaahna pribadi kana budaya, henteu sakadar-kadar ngintip-ngintip anugerah budaya. Ku kituna, Manglé ngiring ngabagéakeun kana pamasra- han Anugerah Budaya tingkat Kota Bandung anu lumang- sung dinten Rebo, 28 Agustus 2013 nu tempatna di Pendopo Kota Bandung. Wilujeng ka nu ngokolakeunana. Apan nyaluyukeun kriteria kana jasa jeung karya budaya téh sanés padamelan énténg. Perlu waktu keur nyacahkeun jeung prosés milihna, perlu ngadurényomkeun kajian akadémisna sangkan putusan téh teu jadi bahan carita nu nganaha-naha. Ka nu kasinugrahanana, mugi baé ieu Anugerah Budaya téh henteu jadi pameungpeuk karep keur nanjeurkeun kareueus kana budaya Sunda hususna, budaya Nusantara umumna, malah jadi pamecut sangkat bisa ngarundaykeun jeung népakeun kanyaah budaya ka gene- rasi sapandeurieunana. Bagéa Anugerah Budaya, Wilujeng nu kasinugrahan! *** Anugerah Budaya Kota Bandung 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. PURIDING PURINGKAK Ngusir Jurig H.Usep Romli HM .......................... 24 UNAK-ANIK Shilah Suci Anugrah Ustadah Lampar, Santri Masagi ......................................................... 44 BAHASAN Generasi Islami Jawa Barat Perlu Pembinaan nu Natrat ......................................................... 46 CARITA PONDOK Agus Tubagus Ramdani Hana Rohana Suwanda ...................... 8 Baju Hideung Aulia ................................................ 20 Lébaran Taun Kamari Dedi Asmarahadi .............................. 22 Cinta Yus R. Ismail ....................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ............................... 1 Kaca Tilu ............................................ 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Rumaja .................................. 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (171) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (10) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Fitri Gautama 5 LAPORAN Anugerah Budaya Kota Bandung 2013 Panyungkal Kreativitas Seni Potret:Reisyan Baju hideung polos nyempod di juru lo- mari. Datang deui baju anyar nu digan- tungkeun gigireunana. Marun nu maké capouchine, modél nu keur trénd. Baju konéng nu keur anteng cacarita jempé saharita, kasima ku Marun nu bau toko kénéh. Marun rarat-reret ka... 20 Baju Hideung Panata Rias & Raksukan : Tien Maman Wijaya, LKP. Gilang Kancana Jl. Pasir Layung Selatan I No. 10 Padasuka Bandung Telp. 022-7200578 Hp. 08156212981
  3. 3. Kuli Kiwari U mangkeuhna mah ékonomi téh stabil cenah. Kitu deui pertumbuhanana. Tapi waktu dolar jadi nitih Rp 11.000,00, malah leuwih, kalah silih rérét. Aya éta gé nu ngaranna pakét ékonomi, tapi ngan semet béréndélanana wungkul. Ku pasar mah teu diwaro. Mangkaning nu ngaranna pasar di urang, geus di- jadikeun mahadéwana sagala rupa. Bener ceuk George Soros, lamun hayang bisa nangtukeun pulitik, jalanna kudu asup ka pasar. Lain ka parlemén atawa ka kabinét. Karasa benerna ku Soros mah pentingna pasar téh. Lantaran pikeun manéhna mah ngutak- ngatik pasar téh lain ngan sakadar angka jeung grafik tapi aya falasi- fahna. Ari anu dipigusti ku urang teu kurang teu leuwih ngan semet angka jeung grafik. Kitu gé balélol kénéh. Satemenna nu ngaranna pasar téh teu bisa diandelkeun. Komo lamun dianggap jadi hiji-hijina bebeneran. Jawarana para kapi- talis, Amérika Serikat, geus sababaraha kali ngalaman kumaha palsuna nu ngaranna pasar. Kitu deui nu ngaranna modal. Sawatara taun ka tukang Lehmans Brothers ambruk. Taun ieu giliran Merryl Linch. Duanana gé lain usaha kelas teri. Dibanding- keun jeung nu araya di urang, usaha naon baé, nu aya di urang téh ukur tai kukuna. Boh Lehmans boh Merryl sababaraha kali pada muji. Perusahaan anu hébat. Loba anu boga cita-cita hayang digawé di dinya. Lantaran salian ti gajihna luar biasa gedé téh, géngsina gé moal aya anu nandingan. Na ku naon ahirna nepi ka bangkrut? Ceuk Soros, euweuh anu bisa dicekel dina urusan pasar modal mah. Mun ancrub ka dinya lir ibarat anu judi, untung-untungan. Dina keur untung bisa ngajaul, meunang untung jeung pada muji. Tapi sakalina datang tsunami, eu- weuh anu kapuluk. Ékonomi anu kapitalistik mah mémang kitu perbawana. Sabener- na, nu jadi sababna ngan sarupa, lantaran nu diudagna ngan semet hayang meunang untung. Gajih gedé, bonus gedé, géngsina luhur. Naon deui? Naha aya anu disebut adil? Di urang gé ékonomi anu kapi- talistik kitu téh lain anyar-anyar. Waktu para kapitalis Walanda muka perkebunan di urang, kaasup di Priangan, anu dibawana téh ngan éta hiji-hijina. Maranéhna mawa mesin jeung kaahlian, ari lahanna mah mutlak nu bangsa urang. Mesin jeung kaahlianana mah diitung minangka modalna. Tapi ari lahanna mah dianggap gratis. Dijabel kitu baé. Kitu deui nu digarawéna, sama sakali henteu dianggap modal. Malah disebutna ogé kuli. Dibayarna murah kabina- bina. Da tujuanana gé hayang meu- nang untung keur nyumponan pangabutuh nu baroga modal. Tangtu waé bisa meunang untung gedé lantaran lahan teu meuli mayar kuli teu sabaraha. Naon pangabutuhna para jura- gan téh? Salian ti hirup sapopoéna kudu mulya, panga- resepna ogé kudu diayunkeun. Nepi ka ngahagal nyieun gedong tohaga sangkan maranéhna bisa nganteur ngayunkeun hawa napsuna. Nepi ka ayeuna éta kabiasaan titinggal kolonial téh dipiara. Sana- jan ngaran kuli geus diganti jadi buruh atawa karyawan, nasibna mah teu loba robahna. Kitu deui juragan geus diganti ku diréksi, tapi kalungguhanana di pausahaan mah teu loba robahna. Anu medah meduh senang mah angger nu di laluhurna. Sistim kitu téh di- ayunkeun pisan ku pamaréntah urang ayeuna, anu cenah geus 68 taun merdéka. Samentara diréksina bisa meunang bonus taunan nepi ka samilyar, karyawanna mah angger keur hirup sapopoéna gé kudu anjuk hutang. Euweuh anu bisa jeung wani ngarobah kana sistim ékonomi anu saperti kitu téh. Rék kumaha sanggupna ngarobah lamun urangna tetep jadi kuli. Dina intina mah nu ngaranna pamingpin di urang téh bisa digolongkeun kana kelas kuli. Sagala rupana kumaha ceuk anu boga modal, nu ngaranna IMF, Bank Dunia jeung sajabana. Tapi, sakumaha anu geus kajadian di AS, boh IMF boh Bank Dunia teu sanggup nyalametkeun pausahaan anu ambruk. Sanajan saméméhna mah éta pausahaan téh ku maranéhna dipuji. AM Manglé 2440 3
  4. 4. 4 Manglé 2440 Kantun Ngawaris- keunana Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun! Nyi Manglé daramang? Hatur nuhun atuh pami daramang mah. Hapunten ngiring ngadamel serat. Nu kahiji mah ngawilujeng- keun ka nu karénging anugerah budaya Kota Ban- dung taun 2013, mudah- mudahan waé anugerah ieu janten nyandak kasaéan, hususna kanggo nu namp- ina, umumna mah kanggo kamekaran Sunda. Kante- nan kanggo pribados mah bingah kabina-bina. Margi nu kénging anugerah téh panginten henteu babari atanapi henteu ujug-ujug kapilih. Pastina ogé, ngalangkungan panitén nu kacida abotna. Tangtos kanggo rayat Sunda biasa mah, atoh nu aya. Seueur nu rancagé, seueur nu ber- jasa kana kamekaran Sunda. Panginten, tetep ajegna Sunda téh, diantawisna sanés ku sasaha, tapi ku nu kénging anugerah téa. Bawiraos deui, kanggo ningkatkeun kamekaran Sunda, saleresna teu cekap ku pangaos artos éta anugerah, tapi jasa-jasa aranjeunna mah saenyana moal tiasa kapésér ku artos. Margi élmu mah apan kitu, teu tiasa dipésér ku dunya atanapi ngawetasan ku yuswa. Bénten sareng dunya. Alatan gedé dunya mah, apanan upami pupus téh, atos wé. Tapi nu gaduh élmu mah apan ngocor teras. Mana dina Islam pantes, diantawis nu ngo- cor, sok saaos tos pupus téh nyaéta nu gaduh élmu kalawan mangpaat. Nyi Manglé, nu mawi kitu ngalangkungan Nyi Manglé, panuhun ka nu karénging anugerah, mudah-mudahan tiasa jan- ten atanapi kagolongkeun élmu anu mangpaat. Nu kumaha anu mangpaat? Témbrés dina papagon Islam, nyaéta nu ziyadatul khoer, nu tiasa nambih- nambih kahadéan, boh keur dirina boh keur balaréa. Keur dirina tiasa nyaangan, atuh keur balaréa tiasa jan- ten tatapakan generasi saterasna. Sanés teu percanten ka nu atos-atos. Cenah tumpurna basa atanapi kamekaran Sunda, sanés ku sasaha tapi ku urang Sunda sorangan. Mana kitu, nu laluhung élmuna baris alim masihkeun élmuna, éta téh sami sareng numpurkeun budaya Sunda sorangan. Sabalikna, upami teras berkarya malah mandar resep ngajarkeun kalawan ihlas ka generasi saterusna, éta téh sami sareng ngalanggengkeun budaya Sunda. Sakitu waé, sakali deui wilujeng ka nu kénging anugerah Budaya Sunda Kota Bandung. Mudah-mu- dahan janten wasilah kanggo nambih-nambih ka- hadéan. Atuh ka Manglé mah tos kantenan nganu- hunkeun pisan. Margi, apan Manglé mah unggal minggu tos ngabuktoskeun ngawa- riskeun Sunda ka balaréa. Sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun. Wassalamu’alaikum. Ibu Eva Manglayang Regency Cileunyi Bandung Sakumna Ais Pangampih Manglé Ngahaturkeun­wilujeng­kasinugrahan­ka: Bapa­H.­Abdullah­Mustappa (Wapimred­Majalah­Sunda­Manglé) Anu­dilélér­Anugerah­Budaya­Kota­Bandung­2013 Ping­28­Agustus­2013­di­Pendopo­Kota­Bandung Muga­jadi­pangdeudeul­karep­rancagé­jeung­kareueus­kana­kana­budaya­Sunda. Mangka­tépa­ka­generasi­sapandeurieunana.­ Bandung,­28­Agustus­2013 Pupuhu­Mangle, Drs.­H.­Oedjang­Daradjatoen­M.
  5. 5. Manglé 2440 5 D i jajaran ondangan nu keur aranteng diuk di jero pen- dopo, horéng geus nyampak H. Rukruk Rukmana, juru pirig seni cianjuran. Ditakwa, disamping, jeung dibendo. Rukruk bangun nu keur anteng ngabandungan pida- ngan cianjuran, nu ku panitia éta pi- dangan téh tangtu baé diperenahkeun di awal acara sina ngeusian suasana saméméh acara resmi dibuka. Bisa jadi, salaku juru pirig cianjuran, Rukruk keur saregep ngabandungan pirigan kacapi indungna. Peuting éta mah, Rukruk téh henteu midang di hareup, metik kacapi indung. Tuda ieu juru kacapi senior nu kungsi rékaman Lutung Kasarung, Guguritan Laut Kidul, jeung album mandalungan Suman- ding Asih téh dibenum jadi salah sahiji seniman nu baris nampa anugerah budaya téa. “Alhamdulillah, taun ieu akang kasinugrahan (Anugerah Budaya ti Disbudpar Kota Bandung),” pokna ka Manglé, “Mugi-mugi baé ieu pangajén téh sing teras manjang, utamina kanggo para seniman tra- disi.” Basa dijojoan kumaha harepan ka hareupna tina éta pangajén ka seni- man tradisi, ieu juru kacapi nu nyanggi lagu panambih Bangbaluh Haté téh gasik nuluykeun, “Ka payunna, para panembangna gé peryogi diperhatoskeun. Kantenan, tos kaétang seueur panembang nu payus dipaparin anugerah sapertos kieu.” Ku kabeneran, teu jauh ti dinya, aya panembang cianjuran H. Yus Wiradiredja keur sarua anteng nga- bandungan haleuang cianjuran. Basa ditanya ngeunaan pamasrahan Anugerah Budaya, ieu panembang nu ogé ngajabat jadi Pembantu Ketua STSI Bandung téh daria ngawalonan, Jam satengah dalapan, malem Kemis (28/8). Pendopo Bandung geus gegek ku ondangan. Sawaréhna mah bangun aruplek jeung baturna. Sawaréhna deui aya kénéh nu ngarantay mapay méja idangan kaléreun pendopo. Ari di jero pendopo, Mae Nurhayati (Juara Cianjuran Damas 2006) keur anteng ngalaeu ngahaleuang cianjuran; sorana saweur ka luareun pendopo.
  6. 6. 6 “Saleresna sanés baé ku hadiahna anu prestisius, nanging ogé ku pengakuan ti pamaréntah ka seni- man tradisi anu teu kinten ageung- na.” Ceuk Yus deui, kréativitas seni- man dina ngagelarkeun karyana ulah ngarasa sugema ku ukur semet cacap tepi kana pementasan. Tapi kudu dideudeul ku pangjurung moral ti pamaréntah jeung masarakatna. “Nya ngaliwatan pangajén saper- tos kieu (Anugerah Budaya Disbud- par Kota Bandung, red), kreativitas seniman téh bakal langkung- langkung ngaraos kasungkal sina langkung kreatif,” ceuk Yus nu ogé mangrupa Juara Cianjuran Damas 1984. Nu Kabiruyungan Aya sapuluh seniman (budaya- wan, pemerhati budaya jeung lingkungan) anu kabiruyungan nampa Anugerah Budaya 2013 ti Disbudpar Kota Bandung. Éta seni- man (budayawan) anu sapuluh téh nya éta Abdullah Mustappa (sastra- wan), Dindin S. Maolani (praktisi hukum), Dr. Harastoeti, MSA (pemerhati cagar budaya), Indrawati Lukman (penari), Solihin GP (pemerhati budaya jeung lingku- ngan), Melly Goeslaw (penyanyi jeung pencipta lagu), Paguyuban Pa- sundan (organisasi kasundaan), Rachman Sabur (teaterawan), Rukruk Rukmana (seniman tradisi), jeung Tisna Sanjaya (pelukis). Sakumaha nu dibéjérkeun ku wawakil juri, Arthur S. Nalan, dina milih seniman nu sapuluh téh geus tangtu hasil ngayak tina sakitu nomi- nasi nu diajukeun ku Disbudpar. Ngan baé réngréngan juri nu di- wewegan ku Adjie Esa Poetra, Cecep Burdansyah, Etti RS, jeung Herry Dim téh mutuskeun pilihanana du- masar kana pengabdian, dedikasi, jeung loyalitas para seniman kana widang garapanana séwang-séwa- ngan. “Karya-karya aranjeunna (para seniman) mibanda kualitas anu hen- teu dipihamham ku balaréa. Nu Nu karenging Anugerah Budaya Kota Bandung 2013 Abdullah Mustappa, wapimred Majalah Mangle, salasawios nu kenging anugerah budaya Kota Bandung 2013 Kadisbudpar Kota Bandung Drs. H. Herry M Djauhari MM, waktos biantara.
  7. 7. Manglé 2440 7 langkung utamina deui mah nyaéta karya-karya aranjeunna karaos pisan ayana, sareng katingal pisan ajénna, dugi ka mawa seungit ngaran kota Bandung ka jauhna,” cek Arthur. Sastrawan Abdullah Mustappa upamana. Dina palataran sastra Sunda mangrupa kritikus anu dipikasérab ku para pangarang. Tulisanana mangrupa kritik teu wudu mucunghulkeun sastrawan nyongcolang pantar Godi Suwarna. Atuh dina karya fiksina, Abdullah gé kungsi nampa hadiah Samsoedi pikeun bacaan barudak, Taréh Rosu- lulloh. Karya petingan Abdullah séjénna kayaning Ringkang (carpon), Nu Teu Kungsi Kalisankeun (kumpu- lan carpon), jeung Lembur Singkur mangrupa bacaan sastra nu kaasup kana karya-karya sastra Sunda petingan. Dina widang jurnalistik, Abdullah kungsi nampa hadiah Zulharmans, sarta dina saémbara nulis essey Abdullah kungsi kasinug- rahan Juara III ti Pusat Bahasa. Naon rupa nu disebutkeun ku Arthur dina nangtukeun saha-saha- na nu kudu kabiruyungan nampa pangajén Anugerah Budaya ti Disbudpar Kota Bandung, di- enyakeun pisan ku salah saurang nu nampa Anugerah Budaya 2013, Dindin S. Maolani. Ceuk Dindin, para juri katangén kacida obyéktif dina nangtukeun putusanana. Lain pédah para jurina mangrupa insan anu kacida kredibel jeung kapabel, tapi dina lebah nangtukeun pilihan- ana éstu geus diwewegan ku sagala rupa pertimbangan. “Kantenan, para juri sanés baé mung kagungan pertimbangan nu asak dina nangtoskeun si A jeung si B, nanging ogé dieunteupan ku kawani anu bisa dipertanggung- jawabkeun,” ceuk Dindin deui. Éta hal utamana mah katangén lebah milih individu tina widang lingku- ngan hidup, nu dina taun ieu katampa ku Solihin GP, salah saurang aktivis lingkungan hidup. Perkara miara lingkungan hidup, tayohna jadi visi pikeun Disbudpar dina agénda Anugerah Budaya taun 2013. Ku kabeneran, pelukis nu kungsi nampa sababaraha pangajén (boh regional boh internasional) Tisna Sanjaya gé, mangrupa aktivis lingkungan hidup. Dina saban ka- giatan nu aya patalina jeung pasua- lan lingkungan hidup, ieu seniman lukis jebolan FSRD ITB téh teu weléh jadi luluguna. Ku kabeneran pisan deuih, dina Anugerah Budaya 2013 ieu gé Tisna jadi salah saurang seni- man anu kabiruyungan téa. Perkara kawani ti para juri sakumaha nu dilanglaungkeun ku Dindin téa, katangén ogé lebah milih Melly Goeslaw. Pada terang, Mélly téh artis wedalan Kota Bandung anu mibanda prestasi nyongcolang tingkat nasional. Lagu-lagu karya Melly teu wudu jadi lagu populer nu dipigandrung ku masarakat Indo- nesia. Geus teu kaitung lagu-lagu sanggian Melly anu jadi theme song film. Anu kajojo pisan mah di antara- na nya lagu Ada Apa dengan Cinta jeung Ayat-ayat Cinta. Éta film nu dua bieu, éstuning mangrupa film nu kacida dipigandrungna di Indonesia. Tangtu baé, dina milih Melly téh lain pédah di réngréngan juri aya Adjie Esa Putra, nu mangrupa penyanyi (jeung guru nyanyi) pop Indonesia. Tapi nu leuwih nyosok deui mah pédah lagu-lagu pop Indo- nesia gé mangrupa produk budaya. Tur kabeneran deuih, anu nyanggina urang Bandung pisan. “Cara ngémutna ulah kasung- keret teuing ku pasualan karya lokal Sunda, nanging kedah dijembaran deui. Mung nu tangtos, éta seni- manna kedah urang Bandung,” ceuk Adji dina hiji mangsa wangkongan jeung Manglé. Nu pasti, sakumna nu kabiruyu- ngan Angerah Budaya mangrupa en- titas anu nyongcolang. Turta henteu kudu dipihamham deui. Utamana pikeun Paguyuban Pasundan, agénda Angerah Budaya 2013 téh éstuning mangrupa kado milang- kalana anu saabad. Wilujeng. Hanjelu Teu Aya Dada Dina biantarana, Kadisbudpar Kota Bandung Drs. H. Herry M Djauhari MM, manghanjelukeun dumeh éta acara n diluuhan ku Wakil Walikota Bandung Ayi Vivananda, Wakil Ketua DPRD Jabar H Uu Ruk- mana, seniman katut budayawan Sunda, sarta insan pers téh, henteu diluuhan ku Walikota Bandung Dada Rosada. Pangna kitu téh duméh éta agénda Anugerah Budaya di- taratasna nya dina mangsa pamarén- tahan Dada Rosada pisan. “Mugia baé naon rupi nu nuj tu- miba ka anjeunna (Walikota Ban- dung, red) sing digampilken bérés roés deui. Sareng mugia anjeunna di- paparin kakiatan,” ceuk Herry. Papadaning kitu, Herry gé jangji seja ngaronjatkeun deui ajén Anugerah Budaya dina taun-taun ka hareupna, boh dina acarana boh dina nominal pangajénna. Dina taun ieu, saban seniman nu kabiruyungan Anugerah budaya baris nampa pia- gam, tropi, sarta duit nu pangajina Rp. 15 juta. *** (Dian Héndrayana) Para tamu ondangan dina Anugerah Budaya Kota Bandung 2013
  8. 8. Manglé 2440 D ua poe teu ngantor, babaturanana silih tanya, aya naon ari Sun- dari? Na tulus Umrohna jeung Rayanti sobatna anu beunghar tea? Atawa …ah nyao ketah, make bingung ku urusan batur, Kitu ceuk gerentes hate Ikah sobat dalit Sundari anu memang leungiteun. Isukna Ikah aya anu ngabejaan yen Sundari memang Umroh tapi lain jeung sobatna nu beunghar, da ieu mah jeung Tubagus Ramdani, perwira angkatan Udara terahing menak Cikundul. Lalaki kasep taya babandinganana, pinter turta nyantri. “ Kuma tea urang Ci- anjur.!” kitu ceuk Sundari ka Ikah. Ari eta nu kasep papanggihna jeung Sun- dari dina riungan kula- warga di Cianjur, diwawuhkeun ku Mang Bahar anu maher mamaos Cianjuran. Agus Tubagus Randani di dinya kapen- tang panah asmara, katiir mamaras rasana ku pa- mulu mojang Ciranjang anu sakitu lucuna. “Tah ieu teh Sundari – putrana Mang Radiman tea” saur Ibuna Agus Tubagus Ramdani ka putrana. Agus ngarawu leuneun nu geulis bari mesem. “ Oh kitu? Pokna. Sun- dari oge rada geumpeur narima panangan anu kaseop teh, jol kerewek leungeun Sundari dirawu dikeukeuweuk, datangka anu geulis beuki geumpeur. “ Agus Tubagus Ram- dani” pokna bari neuteup seukeut ka Sundari. Ti harita Pilot kasep teh jadi remen nganjang ka Ciranjang ka bumi kula- warga Haji Hadiman ban- dar beas anu di lemburna sohor haji balabah turta nyaah ka somah cacak teu boga kaluhngguhan nanaon di jajaran pamarentahan. Hanas aktip milu ngamajukeun koperasi, da estuning ku karepna sorangan.Tepi ka poe eta, poean tepung taun Cianjur, Agus Tubagus Ramdani geus sataun hahadeanana jeung Sun- dari malah geus dicang- cang sacara resmi mojang Ciranjang teh. Batur salembur mah geus silih tanya, iraha cenah dirapalanana kembang Ciranjang nu herang teh nya?Alus temen cenah rek dipileuleuheungkeun ku terah Wiratanu. Poean Sundari teu ngantor tea, memang bener Umroh jeung ibu ramana, boh ibu rama Agus boh ibu ramana Sun- dari. Niatna mulang Umroh arek dirapalan di Cianjur. Poean miang Umroh ondangan mah geus dikirimkeun ka ala- mat nu diondang. Lamun batur nikah heula kakara umroh, Sundari jeung Agus mah umroh heula kakara dirapalan. Saminggu sabada umroh memang bener di- rapalan. Teu aya kariaan gede, basajan pisan da kitu pamentana panganten. Enya ari resepsina mah di gedong, awahing ku lobana ondangan, ari di bumi moal cekap saur ibuna Sundari anu ngan- jrek di KPR/BTN ukur tipeu 45, ku anak incu ge geus pinuh saurna teh. Sabada dipangantenkeun, Sundari dibawa pindah ka Bogor da Agus dinesna di Bogor. Sundari anu geus jadi Ibu Agus mimitina mah ngarasa karagok kudu jadi Nyonya Agus atawa Ibu Agus, tapi lila-lila mah biasa deui. Malah milu akitip di organisasi PIA Ardyaharini, persatuan Istri AURI. Rumah tahnggana run- tut raut, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak teh nyaan. Ngan aya sarupa anu kurang dipikaresep ku Sundari ti Agus teh, nyaeta pangaresep jeung kabiasaanana anu matak lelenyapan angen nyaeta tumpak motor Harley Davidson anu badag tea. Jiga ka maru we sebeleun- ana kana eta motor teh. Ceuk Agus, eta mah pangaresep ti jaman ru- maja keneh, warisan ti bapa. Kusabab kitu Sun- dari tara loba komentar ngan sok ngabetem we lamun keur aya kasebel ka Si Harley teh.Tapi da teu bisa disisilihan, Agus malah tambah meumeut kana motorna. Lamun pareng nyanyabaan ka luar daerah , Sundari tara milu kajeun nuturkeun kana mobil oge. Komo kana sabangsaning Tu- ring-turing mah tara weh, paur pokna. Agus ngan sakadar menta didunga- keun ka Si buah hate, da henteu miharep ari Sun- dari kudu mimilu momotoran mah. Iwalti lamun sakadar lalajo lamun aya demonstrasi Harley. Biasana ari aya tatamu ti mancanagara, atawa payuneun Presiden jeung para mentrina. Jiga harita aya tamu ti Aklza- zair Mentri Pertahanan Ben Houra Omar. Peutingna samemeh ka jalan, Agus nyarita ka Sun- dari bareurat sirah. “Atuh kedah ngaso heula Kang, upami bade ka jalan, kasehatan kedah prima” ceuk Sundari. “ Pasti, tapi kapan aya Dokter Joni, muga-muga teu aya nanaon” Sundari ingeteun yen komandanna kungsi nyaritakeun harepanna supaya Agus eureun momotoran, puseurkeun bae kana tugas inti. “Agus teh Pilot heug terus tataharkeun diri masing jadi Pilot unggu- lan”, saurna teh. Agus oge teu pohoeun, tapi hayangna kitu. Ongkoh gogoda Si Harley teu bisa disingkahan, kokolebatan bae, kaimpi-impi hayang jadi jagoan anu dipercaya. Lain pupujieun ngan geus kiitu we panggero batinna. Piisukaneun arek demo 8 Carpon Hana Rohana Suwanda
  9. 9. Manglé 2440 9 payuneun tatamu tea, munjungan heula ka ibu di Cianjur , neda pidungana arek demo payuneun pangagung. Saperti biasa- na ibuna ngadungakeun bari saeutik mah tetep mi- wejang sangkan demo poe eta demo panungtung, Agus kudu mileuleuyan- keun si Harley saurna teh. “Dunga ibu salawasna keur Agus, tapi poma pa- menta Ibu ge ku Agus kudu disetokeun. Da lain menta dunyabrana, Ibu mah ngan menta panga- resep kana momotoran eu- reunan, kiwari geus waktuna” saur Ibuna. Agus ukur ngajawab Insya Allah, halon pisan. Tapi karasana ku ibuna mah matak nyeri, nyeri pisan saur ibu anu palay kag- ngan putra jadi pahlawan dirgantara teh. “Eta mah kuma hidep , da Ibu ge nyaho dicarek oge moal ngagugu. Ngan masing inget Ibu tetep miharep sangkan hidep ninggalkeun karesep nu hiji eta anu nyantong kana balai!” Biasana Agus tungkul ngeluk, Euweuh jangji dina hatena, taya paneda ka Gusti sangkan dibere sadrah geusan ninggalkeun pangaresepna anu mahiwal ti batur. Jigana ka nu lenjang urang Ciranjang oge moal ngagugu lamun dicarek teh. Numatak Sundari milih baceo dina hatena bae bari tara lalajo lamun manehna demo atawa momotoran ka mana boa. Bagja keneh lalajo Sang pilot manuvre di awang- awang. Ngan poe eta basa rek demo payuneun Mentri Pertahanan Alzazair Ben Houra Omar tea, Sundari maksakeun maneh milu Ibu Rahayu, sarua caroge- na oge micinta motor badag jiga kitu. Dua nyo- nya ninggalkeun imah duanana oge istri Sang Pilot anu cinta motor badag turta duanana rek mintonkeun kamaheran- ana payuneun tamu na- gara. Ongkoh Sundari panasaran ka Mentri Per- tahanan Alzazair, sabab mangsa harita Alzazair teh keur perang. Sundari simpati ka Srikandi Za- hara Bouhired Sri Kandi Alzazair anu mashur “Mani asa kasep-kasep teuing Kang Agus…”geren- tes hate Sundari. Erokna biru langit. Aneh bet cipanonna ngaberebey terus meun- tasan pipina, ngeclak kana lahunan. Agus ret deui ret deui ka Sundari anu diuk di balandongan jeung kulawarga manusa- manusa Harley anu se- jenna. Geus henteu kaban- dungan ieuh kumaha sibuk pakepukna anu aya di tengah jalan Asua Aprika harita, hareupeun gedong Merdeka. Hate Sundari teu merdeka, sidik dikeukeuweuk ku rupa- rupa rasa kamelang ka- hariwang jeung kareueus boga salaki pilot, lalaki langit lalanang ti awang- awang anu hanjakal mabal kana momotoran. Demo teh memang rame, anu keprok taya eureunna nyaksian rupa-rupa tingkah polah anu mintonkeun kamaheran- ana payuneun tamu. Sun- dari seseringna tungkul bari lelenyapan angen, yambat asma Alloh nitip- keun Kang Agusna ka Gusti Nu Maha Ningali. Aya meureun satengah jam mah motor daradad- durudud ka hilir ka girang, nu surak beuki ayeuh- ayeuhan. Memang hecat, aya demo tumpak motor bari nangkuban, terus bari nangtiung dina sadel, bari kitu bari kieu, anu lalajo beuki ayeuh-ayeuhan. Seoooot…. Ti kulon hiji motor ngadurudud… nyerebetna ka wetan, ceki- iit…..gubrag, bet kaden- gena teh motor disesered ngagubrag jauh di wetan . Jalma-jalma bet ting- jarerit, pulisi tingdurug- dug ngetan kabeh. Nu lalajo sawateh milu tiomngdurgdug lalumpatan kma wetan, sawareh deui mah meubeutkeun maneh kana korsio bari teu weleg istig- far. Sundari ngagebeg… :Kaaang…….” Sundari ngajerit bari terus nyam- bat asma Alloh, tapi lila- lila jep sorana jempe, Sundari ngalenggerek kapiuhan, kaayaan jadi kacida ributna, aora anu ceurik jeung anu tinggorowok pabaur jadi hiji. Sajeroning kitu, tatamu mah langsung ngantrunkeun jalan Asia Aprika. Semuriti teu ngidinan nyumponan kapalay tatamu ningali ka tempat kajadian kacilakaan. “Ya Alloh….Agus Tuba- gus Ramdani…Ya Allloh!” jalma jalma istigfar jeung nyambat asma Alloh patarik-tarik. Sundari dibawa ka jero gedong Merdeka, ti beh wetan aya anu digotong kana am- bulan, dua korban….Ram- dani jeung Susanto. Ahirna anu tadi dibawa ka jero gedong Merdeka oge dibawa ka rumah sakit, Sundari tacan eling-eling basa diasupkeun kana am- bulan téh. ***
  10. 10. 10 Manglé 2440 Bagian 171 Peuting ka-192 Mantri gura-giru muru istana. Teu nolih ka nu ngajaga, blus wéh ka rohangan tempat raja. Atuh puguh wé raja gé héraneun naker. Mantri nu basa indit sakitu gagah sarta papakéanana rapih, harita mah sabalikna, bangun nu teunangan sarta papakéanana kararusut teu beda ti nu kakara hu- dang saré. “Kumaha kaayaan anak kaula téh?” “Numawi kitu geu- ning.” “Kitu kumaha?” “Rupina mah ka- ganggu émutanana.” Pok wéh mantri téh nyaritakeun sagala rupa papanggihanana katut omongan Komarujaman nu ceuk pikirna mah jauh tina kanyataan. Eta putra raja téh nepi ka linglung teu nyaho di bebeneran. Nu dipika- cangcamna ukur wanoja nu teu puguh juntrung- na. Ngadéngé caritaan mantrina kitu, raja téh bendu kacida. Keuheul ka mantrina pangpangna mah nu geus ngalantarankeun anakna kawas kitu. Ngan, aya ogé rasa cangcayana. Ceuk pikirna, anakna can tangtu teu waras. “Ayeuna kaula rék langsung ngadatangan manéhna!” pokna. Nyaritana kitu teh bari jung nangtung. Leos indit, dituturkeun ku sababaraha urang pangawalna. Raja Syahraman kaluar ti istana. Muru wawangunan nu dipaké pangbérokan anakna. Sa- datangna ka nu dituju, ngisarahan sangkan nu ngajaga muka konci. Blus raja ka rohangan tempat Komarujaman. Kasam- pak anakna keur cinekul nangkeup tuur. Nempo raja datang, Komarujaman jung nangtung ngabagéakeun hormat pisan. Ngabandungan paripolah anakna kitu, raja bu- ngah. Cek pikirna, sidik anakna téh waras. Pepetaanana nembong- keun temah wadi, teu beda ti saméméh di- kerem di panjara. “Séhat hidep téh?” “Pangésto, Ama!” “Sukur atuh!” Najan kitu, raja téh nguji ingetan anakna. Nanyakeun poé jeung bulan. Dijawab ku nu di- tanya kalayan bener. Da, mémang Komarujaman téh teu sing siwah. Inge- teun poé éta jeung poé kamari, isuk jeung pagéto, ogé poé-poé saterusna. Kitu deui, apleun ngaran-ngaran bulan kalayan bener. Malah, satutas ngajawab pananya raja nu mémang kacida basajanna kawas nanya ka budak, Komarujaman téh nganaha-naha ka kolotna. Raja ngarangkul anakna. Bungah ngadéngé jawaban anakna kitu téh, da sidik waras, béda jeung warta nu diomongkeun ku mantri téa. Komaru- jaman bungah jeung sedih. Bungahna lan- taran bapana geus teu ambek deui ka dirina. Tapi, sedihna, lantaran ngarasa kungsi ngajaheutkeun haté kolot nu sakitu mikanyaah ka dirina. Peuting ka-193 Saterusna, Komaru- jaman téh teu sabar. Pok nanyakeun wanoja nu bareng saré peuting tadi. Ngadéngé kitu, raja gé teu sing kaget. Ukur nganggap anakna kapangaruhan ku impianana, lain siwah saperti ceuk mantri téa. “Anaking, meureun ukur impian. Geus tong loba pikir!” “Sanes ngimpén,
  11. 11. Manglé 2440 11 Ama!” Komarujaman nyaritakeun deui pangalamanana. Persis, saperti nu dicaritakeun ka mantri. Ngan, saterusna, Komarujaman gé nembongkeun ali . Sidik cenah, waktu lilir aya awéwé nu saré gigireunana. Manéhna kakara kapincut ku rurupaan awéwé kawas kitu mah. Ngan, teu sing kagét, da tangtu éta téh pagawéan raja keur nguji pakarepan dirina. “Mana ari ali hidep?” “Teu aya, da dicandak ku anjeunna!” Komarujaman nyabut ali nu dipaké dina jariji- na. Sok dibikeun ka raja. Raja nampanan sarta ngulak-ngilik éta ali. Tétéla, éta mah ali awéwé, lain ali nu anakna. Bari nyekel ali téa, raja cacarita. Intina mah, percaya éta ali téh bukti kaajaiban papanggihna Komarujaman jeung wanoja téa. Ngan, nu teu kaharti téh, kumaha carana éta wanoja asup jeung kaluar ti éta tempat kalayan teu kanyahoan ku sasaha. Tempat nu dipaké panjara téh dijaga manglapis-lapis. Moal aya nu bisa asup ka dinya upama teu diidinan ku nu ngajaragana. Ngabadungan kaayaan kitu, Syahraman sajongjongan mah ngahuleng. Peuting ka-194 Sawatara poé sanggeus kajadian, raja gé angger bingung. Nu jadi bukur catur di kula- warga téh, taya deui iwal ti kajadian nu karanda- pan ku Komarujaman. Anéh teu katepi ka pa- ngarti teu kahontal ku akal. Satereusna, Komaru- jaman gé dipindahkeun ka tempat séjén. Dumuk- na di istana husus keur putra raja. Méméh ditempatan, dibebenah heula, sangkan nu anyar nyicin- gan éta tempat betaheun. Ceuk pikir raja, upama Komarujaman betaheun di dinya, pipikiran anakna gé kabeberah. Ngan nya kitu, éndah- na istana téh keur Komarujaman mah teu jadi pangbébénjo. Haténa tetep tibelat ka wanoja nu kungsi ngiwat lelembutanana. Beuki lila, lain paler, tapi sabalikna beuki sono, nu ahirna mah, méh poho kana sagala rupana. Nu kacipta rurupaana éta awéwé nu ayeuna teuing di mana ayana. Beuki lila, kaayaan Komarujaman téh beuki pikawatireun. Awakna begang, beungeutna haropak, panona celong. Kituna téh lantaran ku- rang dahar kurang saré. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2440 K olot Nyi Rapiah lila teu kasaba, teu kapéntaan ku anak téh, teu di- jieun héran, disangkana Aom geus bageur, daék rumawat ka pamajikan. Ku kituna Nyi Rapiah bisa saméména, malah asa kangeunahan. Kawas teu salah omongan santri, yén kalakuan haram téh ulah sok dipirucaan, ana geus ngalemah engkéna asa leuwih penting leuwih nyenangkeun nu haram téa, batan nu halal, teu karasa, yén urang melak doraka. Ari dina hukumna, saha-saha nu tandor kadorakaan, sok panén siksa- an; kapanggihna mun teu awal sok ahir. Ana geus ngeu- nah dina doraka, biasana leuwih ngagedékeun nu batal batan nu wajib. Cara Nyi Rapiah, haténa téh leuwih ngait ka Babah Dolar, Anom Luih atawa Aom Aging, batan tibelat ka salakina. Cék per- bawa napsuna, éta mah jeung nu tiluan kasukaan téh éstu cacap, asa parat langit tujuh lapis. Naha kudu disalahkeun Nyi Rapiah téh? Urang teu kudu jadi ulama pikeun bisa nyebut- keun yén lampah Nyi Rapiah téh nya salah nya doraka. Tapi lamun urang adil, papadaning nyalahkeun ogé ka Nyi Rapiah, kudu bari ngaku, yén Nyi Rapiah mah kituna téh saenyana ngan darma akibat, ngan tarima jadi wadal tina sahiji sabab. Urang teu kudu mangmeunangkeun ka Nyi Rapiah jeung mangrébu-rébu awéwé bangor cara manéhna, yén éta rébuan Rapiah téh korban kasalahan selang- surupna jeung adab-biadabna hirup-kumbu. Saréatna atawa alatanana, meunang ti salaki atawa ti “batur-hirupna”. Tapi éta mah ngan sakadar alatan baé, da masing salakina ogé tunggal kénéh anggahota hirup-kumbuh. Mémang teu sautik awéwé nu tigebrus kana jurang kanistaan téh duméh boga bakat ti dituna perbawa napsuna “cacad” tanda ka teu sampurnaan manusa; naon bédana jeung jalma borangan, reuwasan, inggisan, korét, awuntah, kedul, bodo jeung sapapadana. Upama nu bodo bisa “dideudeul” ku panga- jaran, nu kedul “diratik” ku pangabibita, nu borangan “disurung” ku latihan, nu inggisan “dipitumanan” ku kabiasaan sok aya nu bisa “pulih” cacadna. Ari nu héngkér batinna naha rék anggeus ku diantep bari dicela-diwada baé? Naha masarakat kurang mikarunya ka nu kararitu? Moal dibéré tambang geusan muntang? Moal dibéré deudeul geusan nanjeur? Kawas geus bakatna dunya ka nu tigubrag téh umum na sok anggeus semet mupuas bari ngahojah-hojah, arang langka sor sosodor ngahudangkeun, ngajait. Aya nu boga téori, magar téh supaya leungit awéwé balangor, kudu daraék dican- dung. Tapi buktina ari cara Nyi Rapiah mah dicandung kalah tigebrus, didua kalah tigubrag! Bohong atuh téori nyandung téh? Lain bohong téorina, tapi osok saralah praktékna. Da dina prakna mah lain nyan- dung niat tutulung. Tapi malar seubeuh ngagugulung. Lain nambahan tikah seja ibadah, tapi tamba éra rucah ngabengkah. Lantaran kitu, ka nu nyandung kalah bi- ngung, nu dicandung ngalanglayung; ana dibéré “kalap” awéwé téh téga males, kebon pihapé salaki téh nga- haja diundeur deungeun. Buktina Nji Rapiah. Nyi Rapiah nyanghareup- na ka Aom Usman téh éstu- ning puraga tamba kadengda, ijiranana gé: “Kapaké sakieu sukur, teu kapaké didagoan lisan nu enja.” Pangrasa Nji Rapiah, da diri keur laris, masing digebrokeun talak-tilu gé ku Usman, henteu rémpan teu horéam, da nu rék nyanggap mani ranghap. Nyi Rapiah pohoeun, yén lalaki bener mah milih pipamajikaneun téh teu punah ku geulis wungkul; sanajan mohmoy- moronyoy ogé ari cara ka samping soéh mah nu rék nawar gé mikir-mikir heula, komo lamun nyahoeun nya soéh nya dagangan Nyi Dampi mah, wah, ké heula! Cék anu magar terangeun, lamun jalma geus kausap sétan, sok resep nepakeun jurig pateuh, ujak- ajak atawa ruwal-rawél ka nu lian, kawas hayang aya pibatureun di naraka. Haténa téh cenah, asa pageuh asa reugreug lamun bisa milu narik nu lian sina tigebrus cara manéhna. Nyi Rapiah ogé nya kitu. Najan enya gé cacah, urang pasar, da jelema, kanyeri kapeurih mah boga, malah karep males jeung hayang puas gé nyampak. Ari nu di- { 10 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2440 13 paké panas-peurih, sakumaha ilaharna anu dipangnyandungkeun, moal saha deui jaba ti ... maruna, Agan Sariningrat téa. Bubuhan Nyi Rapiah téh urang dayeuh, loba deudeuleuan-dédéngéan jeung sanajan enya gé awéwé ropoh pager, ipis bendungan, da ari haténa mah caang, pikirna nyaring boga bakat calakan. Ditambah, sanggeus sering pulang anting ka Nyi Dampi, campur jeung “kakasihna” nonoman baleunghar, palinter jeung réa nu boga bakat démokratis — maké ukuran taun 1875!— kusial baé rasa pangaribawa- na hudang, awas atra kana susunan masarakat. Bet réa kateuadilan! Naha bet masarakat kudu nyieun golo- ngan jelema diumpak-umpak, dikelas-kelas? Naha bet maké aya golongan ménak, aya golongan somah? Naha bet ari nu disarebut ménak kudu diénak-énak, diagung- agung, dipunjung-punjung. Mun ngaliwat kudu di- pangdiukkeun, mun bareng diuk kudu dipangmandokeun (baheula mah sumawonna ménak bungkeuleukanana, masing kareta ‘bendi’ kosongna, lamun ngaliwat, somahna téh kudu brak-brek nagog sisi jalan, paduli teuing palebah nu jeblog ogé. Lamun maké dudukuy kudu dicuplak. Anu maraké tarumpah atawa salamprak, mun ngaliwat ka imah ménak, kudu di- tarumpah dipihapékeun ka gulang-gulang luareun kuta. Somah anu “kumawani” maké sapatu ‘masing diluar ogé’ lamun kapanggih ku upas, di- tutup di bui tilu poé. Sawatara réréng atawa batikan sam- ping, dilarang dipaké ku somahna. Maké totopong teu meunang dibendokeun.), ka- hajangna teu meunang dipungpang, paréntahna teu meunang dimaha. Sakalieun lunta, cék paribasana masing ngan saléngkah ogé kudu di- iring, malah tampolana dia- bring-abring; ka nu rada tarahal kudu digogotong cara capekong usum cap-gome! Naha kitu? Naon saenyana jasa-jasa para ménak ka rayat téh? Bisa jadi saurang atawa duaan di antara para ménak téh aya nu enyaan daék towéksa-ngaraksa karaharja- an Si Leutik (bari nyelapkeun kapentingan dirina pribadi!) tapi ari gegedéna mah ngan hayang senangna katut ngeunahna baé, jaba pépéntaanana rupaning bawang téh sawaréh mah bari teu ngarikeun nu luis, teu nyésakeun nu lenjang. Geus lain rasiah deui, yén réa nu dadaku ngaronda padahal ngaranda! Lamun jaman harita Nyi Rapiah geus ngadéngé kaca- pangan “Keadilan sosial” moal boa mepek balad nga- bangkit hak-hak adiling- masarakat! Da bawaning ku misti dingeunahkeun, ngomong ogé ka ménak mah kudu (teu meunang henteu) basa ménak nu disebut basa lemes téa. Najan Nyi Rapiah lain ahli basa ogé, bisa ari ngarasakeun mah, yén bawaning ku hayang nyieun “basa ménak” geusan ngangeunahkeun kaom ménak, nepi ka réa kecap- kecap anu sawajarna dibélaan dirobah, dibingkengkeun, di- arula-arileu, atawa mun teu kitu, masing nu aya basa Sunda-aslilna ogé dibélaan dilindih ku basa lian, da hayang “sopan”. Nyucudna, ari basa Sunda anu wajar bet disebut basa kasar. Padahal basa anu ti jaman baheula diparaké ku unggal urang Sunda. Bet cara nu boga kabogoh anyar. Si heubeul nu geus karuhan satia-satuhu milu ngangedéan-ngahirupan, ngadak-ngadak disebut Si Dusun Si Gorengpatut, da kabongbroy ku nu anyar. Basa sawaja-sawaja disebut basa kasar. Adil peta kitu téh? Ras deui Nyi Rapiah inget ka somah, Si Leutik anu jaman harita mah kapurba-kawisésa, kakeupeul patihuripna ku ménak nepi ka basana gé: “Sumawonna kakara sarupa- ning harta-banda, dalah anak bojo katut raga-nyawa, ka- gungan ménak.” Dina adu hareupan antara ménak jeung cacah, paribasa gé bonténg ngalawan kadu, pacikrak ngalawan merak. Naha bet kudu kitu? Naon dosana somah nu matak dina sagalnaa kudu éléh baé ku ménak. Da tampolana mah ménak téh dimeunangkeu- nana lain duméh nincak dina hukum adil, tapi duméh ménak , Si leutik mah masing bener masing lempeng ogé sok éléh baé, nepi ka teu mujeujeus gé alus kénéh. Dina urusan jodo, anu cék hakékatna ditangtukeun ku Pangéran, ménak bet ngilu ngatur. Lalaki simahan mah dicadukeun boga pamajikan ka Agan, ka Endeng, ka Juag! Tapi ari lalaki ménak diheug- keun ngacak-ngawur ka awéwé somahan sirikna hen- teu nepi ka dimeunangkeun niiran. Mangkaning awéwé sésa ménak téh teu saeutik nu tuluy kamanjon, rék ka ménak deui, da geus “sésa” rék ka somahan, da somah téh “ajrih” paribasana: “Sésa ménak téh sok unggah adat.” Ku kituna, cék saha masarakat teu jadi acak- acakan? Diacak ménak! (hanca)
  14. 14. S olat mangrupa ibadah nu di- paréntahkeun langsung ku Alloh SWT ka Rosul-Na tanpa perantaraan. Solat mangrupa ibadah nu baris pangheulana dibalitung- keun dina poé balitungan amal (yau- mul-hisaab). Solat mangrupa ibadah nu ngabédakeun antara nu iman jeung nu kupur. Solat mangrupa ibadah nu nyumponana diomat- omatkeun ku Rosululloh SAW ka umatna. Solat mangrupa ibadah nu posisina lir ibarat tihang atawa pon- dasi dina (wawangunan) agama. Solat mangrupa ibadah nu kadudukana lir ibarat sirah dina (anggahota) badan. Meureun geus pada-pada apal, solat kabagi dua. Solat nu migawéna diwajibkeun jeung solat nu migawé- na dianjurkeun. Solat nu migawéna diwajibkeun aya lima waktu. Solat Subuh dua rokaat, solat Lohor opat rokaat, solat Asar opat rokaat, solat Magrib tilu rokaat, jeung solat Isya opat rokaat. Jumlahna tujuh welas rokaat. Solat Lohor poé Juma’ah, hususna keur nu nyumponan sarat- saratna diganti ku nedunan solat Ju- ma’ah dua rokaat. Solat nu dianjurkeun kabagi dua. Aya nu sipatna ditekenkeun (muakkadah) jeung aya nu sipatna teu ditekenkeun (ghair muakkadah). Atawa, aya nu jumlah rokaatna teu ditangtukeun (muthlaq) jeung aya nu jumlah rokaatna ditangtukeun (muqoyyad). Solat nu dianjurkeun tegesna solat sunah gurat badagna mun di- laksanakeun bakal meunang ganja- ran, mun teu dilaksanakeun moal meunang siksaan. Dumasar kana ugeran bieu nu ngalaksanakeun solat sunah bakal untung. Sedengkeun mun sabalikna, najan teu dicawiskeun meunang siksaan bakal rugi. Lantaran teu ngamang- paatkeun kasempetan nu nampeu di hareupeun kongkolak panonna. Iwal ti éta, sing saha nu ngalaksanakeun solat sunah baris rébo ku kurnia Alloh SWT. Kahiji, baris disampurnakeun ganjaran solat fardu lima waktuna. Rosululloh SAW ngadawuh: “(Amalan) nu pangheulana dibalitungkeun ti hiji hamba dina poé Kiamat nya éta solat fardu lima waktuna. Upama manéhna sampurna ngalak- sanakeunana baris dicatet ganjaran nu sampurna. Ngan upama teu sampurna ngalaksanakeunana, Alloh SWT bakal ngadawuh ka malaikat-Na, “Cing paluruh, sugan aya solat sunahna! Upama aya, maranéh bisa nyampurnakeun gan- jaran solat fardu lima waktuna ku ganjaran solat sunahna” (HR Abu Dawud). Kadua, baris dipikameumeut, dipikaasih, sarta dipikacinta ku Alloh SWT. Saur Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: “Saéstuna Alloh ngadawuh, ‘Sing saha nu ngamusuh ka parawali Kaula tanwandé Kaula ngamusuh ka manéhna. Jeung sing saha nu ngadeukeutkeun dirina ka Kaula ku cara-cara nu dipikacinta ku Kaula tina rupaning nu geus diwajib- keun ka manéhna, sabadana kitu manéhna masih terus-terusan ngadeukeutkeun dirina ka Kaula ku amalan-amalan sunah tanwandé Kaula baris mikameumeut, mikaasih, sarta mikacinta ka manéhna, jst” (HR Bukhori). Katilu, baris diangkat darajatna jeung di- pupus kasalahanna. Tsauban Rohimahulloh nyarioskeun, Rosululloh SAW ngadawuh: “Anjeun kudu loba sujud, lantaran saéstuna saban sakali sujud ka Alloh tangtu ku Alloh baris diangkat darajat an- jeun sadarajat jeung baris dipupus kasalahan anjeun sakasalahan” (HR Muslim). Kaopat, baris digampang- keun abus ka Sawarga. Diriwayat- keun ku Robi’ah bin Ka’ab al-Aslami, “Kaula kungsi nginep sareng Rosululloh SAW, tuluy kaula nulun- gan mangnyandakkeun cai kanggo wulu sarta kapereluan anjeunna nu sanésna. Anjeunna ngadawuh, “Pok nyarita sahinasna, naon nu ku hidep dipikahayang?” tuluy ku kaula di- jawab: “Abdi mikahoyong mugi abdi tiasa nyarengan salira di Sawarga”. Rasululloh SAW tumaros deui: “Naha euweuh deui salian ti éta?” Kaula ngajawab: “Mung éta nu dipikahoyong téh”. Rosululloh SAW ngadawuh: “Tulungan Kaula (sangkan bisa) nulungan diri hidep ku cara ngalobakeun sujud” (HR Muslim). Kalima, baris ditambah- tambah rasa sukurna ka Alloh SWT. Dicarioskeun ku Aisyah RA, “Hiji waktos Rosululloh SAW ngalaksana- keun solat tahajud (qiyamul-layl) dugi ka katawis dua sampaéanana bareuh. Inyana tumaros, “Naon margina pangna andika ngalaksana- keun solat tahajud dugi ka kitu, apan andika mah tos dijamin ku Alloh SWT baris dihampura tina sagala rupa dosa boh nu tos kalangkung pon kitu deui nu bakal dongkap?” Rosululloh SAW ngadawuh: “Naha teu meunang kitu, Kaula jadi hamba Alloh SWT nu enya-enya sukuran ka Anjeunna?” Kautamaan Solat Rowatib Ku Mahmud Yunus 14 Manglé 2440
  15. 15. Solat sunah loba kacida macemna ngan dina bahasan ieu mah cuang tekenkeun baé kana solat rowatib. Lantaran solat rowatib mah kasempetanna ‘terbuka lébar’ jeung kautamaanna luar biasa agungna. Naon solat rowatib téh”. Solat rowatib nya éta solat sunah nu dilaksanakeun saméméhna (qob- liyah) atawa saentasna (ba’diyah) ngalaksanakeun solat fardu lima waktu. Naon baé, naha aya tungtun- ana ti Rosululloh SAW? Solat dua rokaat saméméh Subuh kaasup sunah nu ditekenkeun (muakkadah). Rosululloh SAW ngadawuh: “Dua rokaat saméméh Subuh leuwih hadé tinimbang dunya jeung eusina” (HR Muslim). Aisyah RA nyarios: “Rosululloh SAW teu kantos ngantunkeun solat dua rokaat kasebut salawasna” (HR Bukhori jeung Muslim). Ngalak- sanakeunana, sunah diringankeun. Aisyah RA, nyarios: “Rosululloh SAW nyederhanakeun solat dua rokaat saméméh Subuh, malah kaula kungsi hémeng, “Naha anjeun- na teu maos Ummul Kitab (surah Al- Fatihah) kitu?” (HR Bukhori). Waktu ngalaksanakeunana antara adan jeung komat solat Subuh. Haf- shoh RA nyarios: “Mun nu adan (muadzdzin) geus eureun tina adan Subuh jeung waktu Subuh geus jelas, nya harita Rosululloh SAW ngalaksanakeun solat dua rokaat én- téng saméméh ngadegkeun solat Subuh” (HR Bukhori). Surah nu dibaca sabada surah Al- Fatihah nya éta surah Al-Kafirun (surah ka-109) dina rokaat kahiji jeung surah Al-Ikhlas (surah ka 112) dina rokaat kadua. Diriwayatkeun ku Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW maos “Qul yaa ayyuhal kafiruun” jeung “Qul huwalloohu ahad” dina dua rokaat solat saméméh Subuh (HR Muslim). Nurutkeun katerangan séjénna, Ro- sululloh SAW maos “Quuluu aaman- naa billaahi wa maa unzila ilaynaa” (potongan surah Al-Baqoroh [2] ayat 136) jeung “Aamanna billaahi wasy- had bi annaa muslimuun” (potongan surah Ali Imron [3] ayat 52). Nurut- keun Ibnu Abbas RA, Rosululloh SAW maos “Quuluu aamannaa bil- laahi wa maa unzila ilaynaa” jeung “Ta’aalau ilaa kalimatin sawaain bainanaa wa baynakum” (HR Mus- lim). Solat rowatib Subuh bisa diqodo keur sing saha nu teu kaburu ngalaksanakeunna saméméhna. Waktuna sanggeus panonpoé naék nya éta wayah duha. Hal ieu di- dasarkeun kana katerangan Abu Hu- rairoh RA yén Rosululloh SAW kantos kaboboan dugi ka anjeunna teu kabujeng ngalaksanakeun rowatib Subuh nya ku anjeunna diqodo (HR Ibnu Majah). Solat opat rokaat saméméh Lohor jeung saentasna kaabus nu ditekenkeun. Ummu Habibah RA ngariwayatkeun, Rosululloh SAW ngadawuh: “Sing saha nu ngadawamkeun solat opat rokaat saméméh Lohor jeung saentasna, Alloh SWT baris ngaharamkeun ka manéhna siksa Naraka” (HR Ahmad). Nurutkeun katerangan Aisyah RA: “Rosululloh SAW biasa solat opat rokaat saméméh Lohor di bumina. Saterasna anjeunna ngalaksanakeun solat barjamaah Lohor sareng parasohabatna. Saterasna anjeunna lebet deui ka bumina, lajeng ngalaksanakeun solat dua rokaat” (HR Muslim). Dumasar kana katerangan bieu bilangan rowatib Lohor téh aya dala- pan rokaat, opat rokaat saméméhna jeung opat rokaat saentasna. Atawa sakurang-kurangna genep rokaat, opat rokaat saméméhna jeung dua rokaat saentasna. Dumasar kana katerangan ti Ibnu Umar RA, Rosululloh SAW ngadawuh: “Mugi Alloh mikaasih ka sing saha nu ngalaksanakeun solat opat rokaat saméméh Asar” (HR Ahmad jeung Abu Dawud). Rowatib Asar dilaksanakeun saméméh solat Asar. Sabab aya katerangan nu eu- sina nyaram ngalaksanakeun solat saentasna Asar. Nurutkeun Umar bin Khaththab: “Saéstuna Rosulul- loh SAW ngadawuh, dilarang solat saentasna solat Subuh nepika waktu duha (wanci meleték sarangéngé) jeung dilarang solat saentasna solat Asar nepika waktu Magrib (wanci sariak layung)” (HR Ad-Darimi). Dumasar kana katerangan Anas RA, jaman Rosululloh SAW aya kénéh di kieuna kami kungsi ngalaksanakeun solat dua rokaat saentasna surup panonpoéa, saméméh solat Magrib (HR Mus- lim). Anas RA ogé nyarioskeun, kami harita téh keur aya di Madinah, waktu aya nu adan Magrib para- sohabat gura-giru ka masjid tuluy ngalaksanakeun solat dua rokaat. Keur kitu, jol urang asing datang ka masjid, lantaran réa pisan nu ngalaksanakeun solat dua rokaat inyana nyangka solat Magrib geus dilaksanakeun (HR Bukhori jeung Muslim). Dina hadits Abdullah bin Mughaffal RA riwayat Bukhori sarua Rosululloh SAW nganjurkeun solat dua rokaat saméméh Magrib. Ngan nu ditekenkeun mah solat dua rokaat saentasna solah Magrib saperti nu diriwaatkeun dina hadits Rosululloh SAW ti Aisyah RA jeung Abdullah bin Umar RA téa. Nurutkeun Aisyah RA dina ri- wayat Abdullah bin Syaqiq, “Rosululloh SAW ngalaksanakeun solat Isya jeung parasohabat, saterasna anjeunna lebet ka bumina lajeng ngalaksanakeun solat dua rokaat” (HR Muslim). Dijelaskan ti Ibnu Umar RA, in- yana ngadawamkeun solat rowatib ti Rosululloh SAW ti antarana, “… jeung dua rokaat saentasna solat Ju- ma’ah di bumina” (HR Bukhori). Aya ogé nu nyebutkeun solat rowatib Juma’ah téh lobana opat rokaat. Sual solat dua rokaat saméméh solat Juma’ah mah dijelaskeun kalawan rinci dina hadits Salman Al-Farisi RA. Naon kautamaan solat rowatib téh? Ummu Habibah RA nyarioskeun, “Rosululloh SAW ngadawuh: “Sing saha nu ngalaksanakeun solat (rowatib) dua welas rokaat jero sapoé sapeuting, inyana bakal dipangnyieunkeun imah di Sawarga. Nya éta opat rokaat saméméh Lohor jeung dua rokaat saentasna, dua rokaat saentas Magrib, dua rokaat saentas Isya jeung dua rokaat saméméh Subuh” (HR Tirmidzi). Mugi Gusti maparin kakiatan ka abdi sadaya kanggo ngalaksanakeun solat fardu lima waktu sareng solat rowatib minimal dua welas rokaat dina sadinten sawengi. *** Manglé 2440 15
  16. 16. Jual Beuli Saham Patarosan: Ais pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat. Kumaha perkawis hukum jual beuli valuta asing sareng saham. Ieu patarosan patali dollar naek. Atuh nu bisnis ka valas oge seueur pisan. Kumaha saleresna hukum jual beulina numutkeun ajaran Islam? Sim kuring nyuhunkeun waleranana. Hatur nuhun kana sagala rupina. Fauzi Wibowo Sukamiskin Bandung Waleran: Sami-sami hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Saleresna kantos nu jejer jual beuli saha sareng valas diterang- keun dina Mangle edisi kapengker. Na- mung teu sawios urang pedar deui wae. Mudah-mudahan aya mangpaatna, hususna ka nu naroskeun, umumna kanggo nambih-nambih elmu panga- weruh dina Islam. Luyu sareng patarosan di luhur, pikeun ngawalerna bade dikawi- tan ku medarkeun kumaha anu dimaksad jual beuli valuta asing sareng saham. Isti- lah valuta asing sareng saham salerersna mangrupi istilah asing oge anu teu acan akrab di sabundeureun masarakat urang, utamina di kalangan masarakat alit, margi jual beuli ieu umumna dilaksanakeun ku masarakat golongan menengah ka luhur. Anu dimaksad valuta asing nyaeta mata uang luar negri, sapertos dolar Amerika, poundsterling Inggris, ringgit Malaysia, jeung sajabina. Saupama antar nagara ngayakeun jual beuli barang sacara internasional, mangka tiap nagara merlu- keun valuta asing pikeun alat mayarna, dina dunia perdagangan disebut devisa. Saperti eksportir Indonesia bakal narima devisa tina hasil eksporna, sabalikna im- portir Indonesia merlukan devis pikeun ngaimpor barang ti luar nagri. Ku hal kitu, mangka bakal muncul panawaran sareng pamungut devisa di bursa valuta asing. Satiap nagara wenang sapuratina pikeun netepkeun kurs duitna masing-masing, Contona 1 dolar Amerika = Rp. 1.640,-. Namung kurs artos atanapi nilai banding nilai tukar, satiap saat bisa robah-robah, gumantung kana kakuatan ekonomi ma- sing-masing. Anapon sagal rupa transaksina dilaksanakeun dina Bursa Va- luta Asing. Sedengkeun anu dimaksud saham, oge kelebet efek (surat berharga anu bisa dijual beulikeun saperti sertifikat sareng obligasi) nyaeta surat berharga anu mang- rupakeun tanda piekun anu nyepengna ngagbogaan hak miliki kana perusahaan anu ngaluarkeun surat eta. Kurs saham oge saperti kurs valuta, bisa robah-robah gumantung kana pamunut sareng panawaran. Kiwari di Indonesia catatan kurs saham dilaksanakeun ku PT Danareksa di Bursa Efek Jakarta. Salajengna, kumaha perkawis hukumna numutkeun ajaran Islam? hukum jual beuli valuta asing sareng saham dina ajaran Islam dikengingkeun, boh akadna dilakukeun di Bursa Valuta Asing sareng Bursa Efek, atanapi di tem- pat liana, margi dina prak-prakana tos nyumponan sarat sareng rukun jual beuli numutkeun hukum Islam, nyaeta: 1. Ayana ijab kabul (cash and carry) yakni anu ngajual nyerahkeun barangna, sareng anu meserna mayar kontan. Ijab Kabul ieu bisa dilakukeun ku cara lisan, tulisan, atawana utusan. 2. Kadua pihak ngabogaan wewe- nang sapuratina pikeun ngalakukeun atawa ngalaksanakeun hukum, tegesna dewasa jeung sehat akal pikirana. Sedengken anu jadi sarat jual beuli nyaeta: 1. Barangna bisa dimanfaatkeun, kalawan henteu kaasup barangna najis, tegesna barang anu suci. Ngeunaan barang najis, numutkeun ulama Hanafi sareng madzhab Zhahiri meunang dijual beulikeun asal aya mangpaatna, contona kotoran sasatoan pikeun nyuburkeun pepelakan, atawana minyak anu katibaan najis digunakeun pikeun nyaangan. Paham ieu dumasar kana hadits Nabi Saw. Dina hiji waktos Nabi mendakan domba nu tos teu nyawaan gagaduhan Maemunah. Lajeng Nabi nyarios: “Ku naon anjeun henteu ngala kulitna, terus ku anjeun disamak bari dimanfaatkeun?” Maranehna ngajawab: “Doma ieu tos jan- ten bangke”. Nabi ngwaler deui: “Saestu- na, anu dilarang teh ngadaharna”. Tina hadits ieu tiasa disimpulkeun, rehing nga- manfaatkeun barang najis, asal ulah di- tuang, mangka dina ajaran Islam dimeunangkeun. 2. Barangna dijual langsung ku anu bogana sorangan. Meunang dikuasakeun, atawana diwakilkeun ka jalma anu tos dipercaya. 3. Barangna tos dikanyahokeun kalawan hargana tos jelas bari bisa dipasrahkeun sacara nyata. Jual beuli barang anu can dikanyahokeun hukumna kaasup haram, saperti jual beuli lauk anu masih di jeuro cai, manuk anu can katangkap atawana anu masih can aya dina jeuro kurung, anak sasatoan anu masih di jeuro beteng indungna, jeung sabangsana. Hal ieu dumasar kana Hadits Nabi Saw. anu dicandak ku Ibnu Mas’ud, nabi Ngadawuh: “Poma aranjeun ulah barang beuli lauk anu masih keneh dina jeuro cai, sabab jual beuli ku cara kitu, deukeut atawa ngandung unsur pani- puan” (HR. Ahmad bin Hambal saren al- Baihaqi). 4. Atawa barang anu dijual beuli- keuna tos aya kalayan dicepeng ku anu ngabogaana. Jual beuli barang anu henteu aya di tempat akad dimeunangkeun, saratna kudu diterangkeun sifat-sifatna atawa cirri-cirina. Lajeng saupama barangna luyu sareng sifat-sifat atawa ciri- ciri anu disebutkeun ku anu ngajual, mangka sah jual beulina. Tapi saupama henteu saluyu, mangka anu meulina ngabogaan hak “khiyar”. Hartosna jual beulina meunang diteruskeun atawa di- batalkeun. Hal ieu dumasar kana Hadits Rasul Saw anu hartosna: “Sing saha anu meuli barang anu teu aya ditempat, mangka manehna ngabogaan hak khiyar saatosna ningali kana eta barang” (HR. Daruquthni). Dumasar kana sarat sareng rukun jual beuli di luhur, mangka valuta asing sareng saham nyumponan sarat sareng rukunna pikeun dijadikeun barang transaksi atawa akad jual beuli. Peryogi oge ditambih katerangan ti Abdurrahman Isa, wireh jual beuli saham, kalebet saham-saham anu dikaluarkeun ku bank dikengingkeun, sanajan bank ngagunakeun sistem riba, kitu oge saupama dina kaayaan darurat pisan. Wallohu A’lam.*** 16 Manglé 2440 Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
  17. 17. T aun ieu, Paguyuban Pasundan (PP)pancegsaabad(saratustaun). Nilik tina umurna, geus tunggang gunung, dina rengkak jeung lengkahna masing kauji, yen Paguyuban Pasundan ti waktu ka waktu, ti mangsa ka mangsa, beuki asak jeujeuhan, beuki lega wawa- san, lébér wawanen, sarta beuki weweg warugana. Ku kituna, Paguyuban Pasun- dan di alam kasajagatan, nempatkeun jeung netepkeun dirina hiji lembaga/ organisasi kamasrakatan anu salawasna nyaluyukeun diri kana kamekaran pa- neka jaman. Katara jeung karasa ayana teh deui tangtu henteu ngan cukup ukur euceukjeungbeja,tapisaestunamistiaya pangakuan anu jinek ti sakumna pihak. Cohagna kudu natrat dibuktikeun ku prak-prakanana. Sakumaha anu salawasna ditetelakeun ku Ketua Umum PB. Paguyuban Pasun- dan Prof. dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Paguyuban Pasundan minangka sala- sahijiorganisasietnonasionalis,mistijadi imah balarea. Jadi wadah beungkeutan tali silatrahmi, sarta jadi solusi keur masarakat Jawa Barat-Banten hususna, Indonesia umumna. Dina umur anu saratus taun ieu, PP tetep ajeg panjeg dina adeg-adegna. Nanjeurkeun insan- insan nu ‘ahlakul karimah’. Ketua Umum nandeskeun deui Pagu- yuban Pasundan misti némbongkeun sikep nu jinek kalawan konsistén nga- malirkeunkaparigelanna,geusan nyum- ponan harepan-harepan balaréa luyu sakumaha udagan ‘merangan kabodoan jeung kokoro” dituturusan ku Pengkuh Agamana, Luhung Élmuna tur Jembar Budayana. Paguyuban Pasundan kudu jadi gunung pananggeuhan balaréa. “Ka sakumna ais pangampih PP boh nu aya di puseur boh nu icikibung di cabang-ca- bang masing sareundeuk saigel, samiuk sauyunan” pokna. Ku kituna, sakumna réngréngan pangurus, dina ngaheuyeuk karep ngolah cita-cita Paguyuban Pasun- dan kudu konsisten, kana paniatan awal nyaeta ‘ngarundaykeun nonoman Sunda anu perceka, luhung elmuna, jembar panalarna ajeg anceg dina adeg-adeg ka- sundaan. Hirup hurip morontod jadi pa- muda sembada nu rosa cita-citana, lega ambahanana, leber wawanenna, lampar nyabana. Bongan geus meunang kaper- cayaan ti balaréa, sing saha wae anu kapercaya sarta ihlas niatna, nyampak waktuna gedé kanyaahna, sing amanah keur kapentingan organisasi jeung ngarundaykeun generasi ngora nu taranggung jawab. Sawirahma jeung naon nu dikedalkeun ku Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan, Ketua Bidang OrganisasiPB.PauyubanPasundan,Drs. Soma Gantika, M.Si., netelakeun, dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala saabad PP, ngamalirkeun rupaning ka- giatan acara, saperti tablig akbar jeung bakti sosial. “Dina ngareuah-reuah acara milangkala saabad, kagiatan uyeuk na- ker, di saban cabang digelar rupa-rupa kagiatan anu aya patalina jeung kagiatan kamasarakatan jeung soasil, saperti hi- tanan masal, jeung babagi sembako keur kaum duafa sarta barudak yatim,” ceuk Soma nandeskeun. Acara Milangkala PP saabad, ceuk Soma deui, kalintang ngandung ajen jeung makna anu kacida jerona, sage- dengeun mageuhan tali silaturahmi di antara urang, pon kitu deui ngan- tengkeun batin kanyaah diantara papada urang. Kadeudeuhna Paguyuban Pasun- dan natrat katara ayana jeung karasa mangpaatna ku balarea. Sakumaha prak dilaksanakeun dina salasahiji runtuyan acara Milangkala saabad. Eta kagiatan teh dirojong naker ku unit-unit garapan, sakola-sakola jeung paguron luhur Pa- sundan di Jabar jeung Banten anu aya dina iuh-iuh Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) sarta Yayaysan Pendidikan Tinggi (YPT) sareundeuk saigel rancage gawe ngagedurkeun ru- paning kagiatan. Sajeroning kitu Drs. Eden Suardi, M.Si SekretarisPPcabangkotaBandungnete- lakeun, dina raraga mieling milangkala PP saabad, pihakna gawe babarengan jeung pihak sakola, SD, SMP,SMA/SMK PasundannuayadikotaBandungngage- lar kagiatan tablig akbar (siraman ro- hani)diMasjidRayaPropinsiJawaBarat sarta babagi sembako ka kaum duafa. Salian ti eta deui ngayakeun tajil (buka bersama ) jeung siswa-siswi Pasundan sartabarudakyatim.“Alhamdulillah, ka- giatan lumangsung kalawan lungsur langsar tur kenging pangrojong ti sakumna pihak, boh ti rengrengan pan- gurus cabang boh ti parapupuhu sakola.” pokna *** Manglé 2440 17 Saabad Paguyuban Pasundan Babagi Kanyaah jeung Papada Drs. Soma Gantika, M.Si Ketua Bidang Organisasi PB. Paguyuban Pasundan Drs. Eden Suardi, M.Si., Sekretaris Cabang PP Kota Bandung
  18. 18. 18 Manglé 2440 (1) Setiap habis Ramadhan hamba rindu lagi Ramadhan saat-saat padat beribadat tak terhingga nilai mahalnya Setiap habis Ramadhan hamba cemas kalau tak sampai umur hamba di tahun depan berilah hamba kesempatan…. K itu sabagian rumpaka “Setiap Habis Ramadhan” nu digalin- dengkeun ku Acil Bimbo lir ni- neung jeung ngageuri unggal napakuran bulan puasa nu karék kaliwat. Bulan Ra- madhan, hiji kasempetan euyeub ku asi- hNa nu karék kaalaman deui engké taun hareup. Kitu gé…mun aya umur. Geura urang sami manahan sabagian barokah sasih Ramadhan. Campleng salami sasasih ku kersaNa lawang sawarega langab dibuka, sedengkeun panto naraka rapetdikonci.DinasasihétaMantennaNu Maha Asih maparin KASEMPETAN ka umatNa pikeun nyucikeun diri tina reregednugeusdipilampah,maparingan- jaran manglipet kali pikeun unggal ibadah jeung kahadéan naon baé sarta transfor- masi pribadi pikeunmekarna ahlakpinuji. Bari jeung maparin nugraha nu ayana ukur dina bulan Ramadhan deuih nyaéta “Peuting Sarébu Bulan” jeung … solat Tarawéh. (2 ) Rumasa, kawas bulan puasa nu anyar kaliwat, loba pisan kasempetan nyieun ka- hadéan nu teu dipaliré. Geura baé leuleu- tikanana: solat tarawéh di masjid sering kaliwat teu kawawa ku beurat beuteung kamerkaan lantaran bukana “balas den- dam”.Étatéhbangblasnyambungkasolat janari leutik kalindih ku nyegrék kérék. Atuh mun pareng nyieun kahadéan ukur sahayuna tamba henteu teuing, méré so- dakoh ogé bari jeung itungan kawas bali- tungan dagang. Malah ngarah teu murang-maring lantaran beuteung kem- pléng, ubarna téh ngahaja muter pilem- pilem paporit lalakon “cina ngamuk” itung-itungngabuburit.Kabangbrangkeun dibélaan solat asar gé diengké-engké ngadagoan tamat carita. Jajauheun tina dur-cong. Masya Allah. Naon atuh ayeuna nu nyésa sanggeus lebaran lekasan? Ukur hanjakal jeung hanjakal manjing babasan “kaduhung tara ti heula”. Teu sadar deuih umur geus tunggang gunung, biheung di- parengkeun manggih deui bulan puasa taun hareup. Bener ceuk Acil Bimbo “… hamba cemas kalau tak sampai, umur hamba di tahun depan…” cenah. Tapi dipikir-pikir deui asa teu cukup ku kaduhung jeung hanjakal wungkul nu di- ungkulanana ogé ukur ku “tobat sambel téwéwét”. Enya, matak ngagayer, tapi sanggeus cageur, col deui col deui teu kapok-kapok. Naon atuh nu rék dipilaku pasca Ramadhan taun ieu sangkan teu ngahahambur waktu? (3 ) Ngeunaanwaktuayababasankieu,“Ka- mari geus jadi sajarah, isuk sarwa teu pasti, ayeuna nu nyata mah”. Hartina? Mangsa nu kaliwat moal bisa dibalikan deui, sedengkeun isukan atawa jaga taya nu terang bakal kumaha-kumahana, demi nu keur kaalaman jeung dipilampah mah taya lian mangsa ayeuna, poé ieu, jam jeung detik ieu. The right now, ceuk kang Obamamah.Kadé,lainhartinamangsanu kaliwat, kiwari jeung mangsa nu bakal datang misah taya pakaitna, da kabéh ogé éstu nganteng sinambung tur silih pan- garuhan. Maksud téh kaayaan urang aye- una dipangaruhan ku rupa-rupa pa ngalaman hirup nu geus kaliwat, ari kon- disikahareupgumantungkumahaayeuna urang ngararancangna. Tangtu dina ngarancang kahirupan mah kudu mado- man kana padika “Manusa mah ukur boga kahayang, ari katedunan henteuna mah anging kersa Nu Maha Kawasa”. Nu rék diébréhkeun téh taya lian nyaéta sabada bulan puasa taun 2013, ayeuna pisan wak- tuna urang kalawan daria nyieun raran- cang pikahareupeun. (4 ) Unggal jalma mibanda kahayang jeung cita-cita husus pikeun dirina, kulawarga jeung lingkungan nu leuwih jembar. Tapi sanajan kahayangna béda-béda, nu pasti mah kabéh ogé museur dina kecap “BAGJA” atawa hirup nu kebek ku kabag- jaanjeungkasugemaan.Naonbaénunim- bulkeun kabagjaan téh? Rupa-rupa tur béda-béda deuih pikeun unggal jalma. Malah aya rupa-rupa tiori jeung prak- prakan ngahontalna. Aya nu nyebutkeun yén kabagjaan bakal karandapan mun urang hasil ngalaksanakeun hal-hal nu di- anggap penting tur gedé hartina keur urang. Aya benerna tiori “Suksés nim- bulkeun Bagja” téh masing teu salawasna kitu. Da teu saeutik atuh jalma-jalma nu (kacirina) sukses pisan tapi hirupna ja- jauheun tina kabagjaan. Contona baé taun 1923 di Edgewater Beach Hotel nu pang- méwahna harita di Chicago kungsi aya gempungan para milyarder Amérika pikeun ngararancang rék ngawangun bis- nis sekala dunya. Kumaha kajadianana sabada 25 ti harita? Geura urang tataan. • Charles Schwab -présidén industri waja nu rohaka tur jugala pisan maot dina kaayaan bangkrut total. • Arthur Cutten -spékulan tipung pang- suksésna di Amérika hartana ledis, maotna gé di jero bui. • Richard Witney -présidén New York Stock Exchange nu sohor- maot teu lila sanggeus béak hukumanana di Sing Sing, panjara nu pangdipikagigisna ku para penjahat. • Albert Fall -menteri kamashur dina kabinét Présidén Amérika- nampa am- punan sanggeus mangtaun-taun jadi eusi bui, teu lila maot di imah bari teu boga duit sapésér-pésér can. • Howard Hopson, -industriwan nyong- colang- jadi pasién teu cageur-cageur di rumah sakit jiwa. • Jess Livermore – jujuluk “singa” Wall Bada Puasa Ku HD. Bastaman
  19. 19. Manglé 2440 19 Street- maéhan manéh. • Leon Fraser -présidén Bank of Interna- tional Settlements- sarua maéhan manéh. • Ivan Krueger -pamingpin puncak dina monopoli perdagangan dunya- éta ogé tuturuti maéhan manéh. Kabéh ogé pasti palinterna luar biasa, kakayaanana pikabitaeun jeung kaka- wasaan ampir taya watesna. Atuh kalung- guhanana di masyarakat dipisérab lantaran kaasup “élitna élit” atawa crème delacrèmejamanharita.Geusbuktideuih suksés ngawangun bisnis internasional jeungpréstasinujadicaritabalaréa.Malah aya rébuna karyawan hirupna gumantung kana bisnisna. Tapi ku naon aranjeunna ngalaman tunggara kawas kitu? Bisa jadi katerap panyakit…. héngkér karakter bari jeung nyongcolang sarakahna. Wallahu’alam, urang mah ukur bisa su’udon, teu wasa nyawang hikmah jero- ning musibah. Aya deui tiori séjénna. Majah kabagjaan téh taya lian hasil tina rasa sukur, ari rasa sukur mangrupa salah sahiji sipat nu di- pibanda ku jalma-jalma nu pinuji karak- terna. “Akhlakul Karimah atawa Akhlakul Mahmudah” saur Mama Ajengan mah. Jadi kudu jadi jalma hadé heula karék bagja tur suksés. Ku kituna teu héran mun kiwari di kalangan pebisnis internasional sumebar motto “Character first”, sundana “Heulakeun Ahlak Pinuji”. Niténan mahabuna sasalad “Héngkér Karakter” kiwari, asana keuna pisan mun urang ayeuna museurkeun perhatian nyieun rancangan pikeun ngahadéan ahlak masing-masing dina raraga ningkatkeun kualitas kahirupan. “Mekarkeun Karakter Pinuji & Nyir- nakeun Karakter Nista”, sajalan jeung an- juran agama “Ngahontal Akhlakul Mahmudah & Nyinglar Akhlakul Madz- mumah”. Sabréhan mah kawas moal matak ngésang, pira ogé ngajak jalma- jalma sangkan bageur, lain badeur. Tapi nyatana lain gawé méméh mumuluk, éstu pagawéan nu kacida banggana. Geura baé ku hésé-héséna, Gusti Nu Maha Agung dugi ka ngutus rasul pinilih, Muhammad saw, nyangga pancén husus nyampur- nakeun ahlak/karakter manusa. (5 ) Sabenerna mah prinsip mekarkeun karakter mah basajan pisan: Kudu dimimitian ti diri sorangan! Basajan, tapi migawéna nu beurat pisan téh. Karasa ku sorangan nepi ka ayeuna ogé can hasil hayang dur-cong jeung nyinglar bureuteu téh. Sadar deui yén salila nunda-nunda solat lantaran “lila kénéh waktuna” jeung motto “Rék diet…isuk” pasti moal cumpon solat dur cong jeung hayang jangjing téh. Lain sisiwo beurat migawéna keur kuring mah. Paingan atuh Kangjeng Rosul nye- batna ogé “Jihad Akbar” kana merangan sipat-sipat goréng téh. Salian kudu dimimitian ti sorangan heula, mekarkeun sipat-sipat pinuji jeung ngurangan sipat-sipat nista teu kudu loba awalna mah. Cukup milih HIJI sipat hadé nu rék dimekarkeun jeung HIJI deui sipat goréng nu rék disinglar. Naha kitu? Lantaran unggal sipat, boh nu hadé atawa nu teu hadé silih pan- garuhan lantaran raket patalina. “Berdampaksistemik” istilah ayeunamah. Contona, nanjeurkeun sipat “satia” bakal ngarojong mekarna komitmen, amanah, hormat, lemes rasa, nyaah jeung sipat- sipat hadé séjénna nu kabéh ogé asalna tina “Asih”, sipat utama ilahiah. Sabalikna ngumbar sipat “angkuh” bakal gancang pisan ngarojong mekarna sipat-sipat nista séjénna saperti: galak gangas, ngumbar amarah, bener aing teu batur, hawek kekedemes, gedé hulu jeung sipat-sipat nista séjénna. Kabéh ogé asal muasalna mah tina “Sombong” sipat utama iblis. Malah sanajan pabéntar ogé antara sipat-sipat pinuji jeung sipat-sipat nista tetep silih pangaruhan. Nanjeurna sipat- sipat pinuji bakal ngahéngkéran atawa nyirnakeun sipat-sipat nista. Kitu deui sa- balikna. Contona mekarkeun sipat “béréhan” bakal ngurangan “pedit”, saba- likna “resep nyawad” bakal ngahéngkéran “toléransi”. Tapi kétang di urang mah aya sipat goréng jeung sipat hadé nu awor tur sarua mekarna nyaéta “Murah bacot, murah congcot”. (6 ) Ngarah gampil ngémutna, unsur-unsur mekarkeun karakter (pinuji) kawengku ku kecap “PEDANG“ singgetan tina: P = Padika Suksés; E = Énergi; D = Do’a; A = Angen-angen; N = Niat; G = Gawé. Dina ngalaksanakeunana mah tahap- tahapna mah kieu. Diawalan heula ku “Niat” jeung nangtukeun “Angen-angen” alias cita-cita bari sadar yén urang mibanda “Énergi” atawa poténsi pribadi nu luar biasa. Saterusna dilaksanakeun ku jalan “Gawé” dibarengan ku “Do’a” luyu jeung asas “Ora et Labora” nu hartina “Ngado’a jeung Digawé”. Kagiatan mekarkeun karakter kudu bari nga- jalankeun ”Padika Suksés” ambéh gam- pang kahontalna. Insya Allah. Naon baé éta téh? Niat: netepkeun kahayang jeung naon nu rék dipilaku. Motivasi disebutna dina psikologi mah. Teu diniatan mah sagala gé moal tinekanan. Taya niat sarua jeung teu boga kahayang alias taya udagan hirup. Angen-angen: kahayang nu kuat pikeun ngahontal hiji hal. Angen-angen atawa cita-cita bakal leuwih gampang di- hontalna mun njieun rencana nu jelas tu- juanana, ngawengku rupa-rupa kagiatan nyata jeung jadwal waktuna. Énergi: kakuatan atawa daya nu dip- ibanda ku unggal jalma mangrupa poténsi pribadi jeung lingkungan nu ngarojong mekarna karakter pinuji. Poténsi manusa ngawengku poténsi raga, jiwa, sosial jeung spiritual. Malah aya kurnia husus pikeun manusa nyaéta poténsi ngarobah nasib sorangan. Gawé: cita-cita, tujuan jeung poténsi moal ngawujud mun teu dipigawé. Mi- gawéna kudu daék ngésang (work hard) jeung maké sistim (work smart) nyaéta ngagunakeun peralatan jeung métode nu luyu sarta gawé-bareng jeung pihak-pihak nu ngarojong. Doa: miharep tungtunan, rido sareng asihNa. “Do’a” jeung “Gawé” kudu bareng dilaksanakeunana luyu jeung asas “Ora et Labora” téa. Sayidina Ali ra kantos sasauran kieu, “Ngadunga wungkul bari teu prak digawé sarua baé jeung ngala- mun. Ari digawé wungkul bari teu daék ngadunga sarua jeung gedé hulu” Padika Suksés: sabenerna mah loba padika atawa prinsip suksés téh nu geus dibuktikeun ku jalma-jalma nu geus suk- sés. Diantarana: daék méré mawéh (The principle of Giving), ngajaga omongan (The principle of Comment), nyinglar kabiasaan teu hadé (The principle of Ex- clusion), tetep sumanget (The principle of Enthuasiasm) jeung junun (The principle of Persistence). Kitu kira-kira unsur-unsur jeung metodenanjeurkeunKarakterPinuji.Wal- lahu’alaam. (7 ) Mungkas pedaran ngeunaan mekarkeun karaakter pinuji pasca Ramadhan, mangga urang sami napakuran kasauran hiji ajengan sepuh, kieu: 1. Tong mikiran HAK, tapi pikiran kumaha nyieun JASA. 2.TongmikiranKASENANGAN,tapipiki- ran kumaha prakprakan NGAHON- TALNA. 3.Tong mikiran SAWAREGA, tapi pikiran kumaha nyieun AMAL SOLÉH. 4.Sing nyaho yén SAWAREGA dipageran CUCUK, ari NARAKA pagerna LAUK. Tétéla teu babari geuning hayang jadi jelema bener téh. Paingan atuh Kang- jeng Rosul saw nyebatna ogé “Jihad Akbar”. Ciputat, bada lebaran 2013
  20. 20. 20 Manglé 2440 B aju hideung polos nyempod di juru lomari. Datang deui baju anyar nu digantungkeun gigireun- ana. Marun nu maké ca- pouchine, modél nu keur trénd. Baju konéng nu keur anteng cacarita jempé sa- harita, kasima ku Marun nu bau toko kénéh. Marun rarat-reret ka sabudeureun lomari. Ceuk pikirna, eu- weuh nu leuwih alus batan manéhna. Baju Orén jeung baju Biru tingkecewis teu- ing ngomongkeun nana- haon. Héjo toska mah ukur ngarérét, teu béda jeung Krém nu api-api peupeu- reuman. Malah baju bodas mah geus kérék tatadi gé, teu engeuheun boa ka nu anyar datang. Baju Bodas mah tara loba ceta. Disebutna gé kuper alias kurang pergaulan. Manéhna tara nyaho nanaon atawa mémang api- api teu nyaho. Bisa jadi teu hayang nyaho waé nu ka- randapan ku pangeusi ieu lomari. Manéhna mah tara ubral-obrol mun teu pen- ting-penting teuing mah. Jigana téh mending kénéh saré ti batan ngagosip atawa ngadéngékeun nu ngagosip. Tapi tara curak- carék deuih ka nu sok ngagosip. Sugan ngarasa kagandéngan ku nu sok ramé ngalobrol, ih anteng wé kérék. Cacarita sotéh mun pareng ditanya geus dipaké ka mana waé ku nu jadi dunungan saréréa. Manéhna sok pogot nyari- takeun ngeunaan masjid- masjid nu agréng. Aya nu kubahna emas, aya nu lan- téna kristal, atawa masjid nu sakuriling témbokna pinuh ku ukiran kaligrafi. Mun geus kitu, nu séjén mairan bari nyaritakeun pangalamanna séwang- séwangan. Lolobana mah pangalaman pikabunga- heun, geus dipaké ka tem- pat-tempat nu pikaresep eun. Béda jeung panga laman baju hideung polos. Sakalina dipaké, nganteur nu béla sungkawa. Ti mi- miti dibeuli, bisa kaitung sabaraha kali manéhna di- paké. Kitu gé dipakéna ka tempat-tempat nu pika- keueungeun. Ka kuburan atawa ka rumah sakit. Kawas bulan kamari ma- néhna dipaké ngalayad nu maot tabrakan. Nyaksian jasad nu remuk teu mang- rupa, ngadengé nu ceurik jejeritan nepi ka kapaéhan. Malah manéhna milu kaba- seuhan ku cipanon. Lain sakali éta waé, ampir ung- gal dipaké, manéhna milu kabaseuhan ku cipanon téh. Ti saprak pindah ti toko jadi pangeusi lomari, can kungsi sakali-kali acan dipaké ka tempat-tempat nu pikaresepeun. Lolobana mah tunggu lomari. Enya, ngahénén di juru. nung- guan giliran dipaké. Teu cara baju hideung nu di- tarétés ku payet jeung asse- soris séjénna. Manéhna mah aya jeroeun plastik kénéh, anyar ti laundry, tas dipaké masamoan peuting tadi. Sapopoéna baju hi- deung polos ukur nganaha- naha kana nasibna, mun nu séjén keur talibra, manéhna sok nyegruk sorangan. Lain sakali dua kali manéhna ngalamun, hayang terjun kana cai wantéks. Tapi teu wani nandangan resikona. Ras inget lalakon jakét belél nu nganclomkeun manéh kana cai pemutih. Barang diangkat bet be- lang, teu bodas kabéh. Akhirna teu asup deui kana lomari, ceuk béja mah di- pahugikeun ka tukang kingdeuw. Panas milu ka- panasan, hujan jibrug kahujanan. Geus teu mang- rupa bakat ku lila teu diseu- seuh, dekil jeung bau. Padahal baheula mah enya gé belél, tapi beresih jeung sareungit. Ayeuna mah boa tara manggih cai sabun, bo- ro-boro ka laundry kawas baheula. Pangalaman munggaran, Marun nyari- takeun kumaha raména di tempat kariaan. Apan manéhna téh geus dipaké ka ondangan. Jaba hajatan di gedung. Kasebutna re- sepsi pernikahan anak pe- ngusaha tangtuna gé lain hajat samanéa. Nu diaron- dangna gé pasti lain jalma joré-joré. Da éta wé nga- dongéngna gé papanggih jeung baju nu ditarétés ku berlian, jeung mutiara, aya nu dipintal tina benang emas, malah nu dijieun tina Baju Hideung Carpon Aulia
  21. 21. Manglé 2440 21 emas asli ogé aya. Baju Hideung polos ukur nga- heruk. Da éta Marun mah nyaritana téh maké ditung- tungan ku ngaléléwé sagala. Konéng nu sasarina pang- céréwédna gé nepika nga- jeten. “Can kungsi dipaké ka on- dangan nya?” Marun neu- teup ka Hideung polos nu ukur gideug lalaunan. “Di dinya mah pantesna gé nincak taneuh beureum di astana,” pokna teu eu- leum-euleum. “Eh, aya nu kungsi ngala- man ka Hotel Bergengsi teu?” Marun neuteup hiji- hiji pangeusi lomari. Eu- weuh nu némbalan. “Nya moal atuh, da pan- tesna gé kanu kitu mah ukur kuring. Baju pan- galusna di ieu lomari,” cek Marun agul ditungtungan ku seuri bangun nu bungah naker. Marun tuluy cacarita deui. Ditanggap ku sora cruk crek bangun nu reueus ti nu séjén. Coklat jeung abu-abu mah ongkoh nga- regepkeun tapi sakapeung ngajarebéngan. Bodas nu teu kecét-kecét mah. Manéhna mah angger tibra, teuing ngimpi nanahaon da teu kaganggu saeutik-eutik can ku nu garandéng di jero lomari. Sakali dua kali mah Hideung polos nyabar- nyabar manéh, mun Marun geus ngaléléwé téh. Tapi lila-lila keuheul ogé. Keuheul ka dirina. Kana na- sibna. Bakat ku baluweng, manéhna boga angen- angen. Engké mah mun pareng dipoé rek ngara- gragkeun manéh sinah hiber kabawa angin. Kuma engké wé nasib saterusna mah. Manéhna bosen di- hina waé ku Marun. Malah nu séjén gé ayeuna mah maké sok pipilueun nye- ungseurikeun sagala mun Marun keur ngécé ka dirina. Ukur Hideung nu ditarétés payét purah ngabeberah manéhna téh. Nyaaheun manéhna mah pédah sarua hideung meureun, najan nasibna jauh bumi ka la- ngit. “Eh, hideung. Iraha ter- ahir dipaké ?” cek Marun. Hideung polos teu lemék. “Yeuh, kuring mah sésa parfum kamari gé napel kénéh.” Marun ngageubig- geubigkeun awakna. Me- lenghir seungit nu can kungsi kaangseu ku pangeusi lomari. “Jaba méméh diasupkeun ka dieu diseungitan deui,” cenah masih kénéh ngageu- big-geubigkeun awakna. “Baju mahal tuda kuring mah, teu cara nu bulukan tuh !” teuteupna bangun nu ceuceub ka Hideung polos. Nu séjén ngarérét ka juru lomari. Hideung polos ukur ngeluk. Rét ka dirina. Enya, geus rada bulukan ning. Ampir sataun tuda teu di- paké. Boro-boro diseungi- tan cara Marun, apan mun pareng dipaké gé sok ru- rusuhan. Rap, langsung indit. Sakalina kaseungitan ku kembang samoja murag tina karanjang nu ditatang- keup méméh diawurkeun luhureun pusara. Peuting ieu mah Hideung polos ngagukguk, ngarasa jadi baju nu pangsialna. Ja- jauheun kawas Marun, atuh kahayangna mah teu dipaké sabulan sakali gé dipiroséa. Apan nu séjén mah sabulan sakali waé mah kagiliran dipaké. Jadi moal bulukan da ngambeu laundry méméh diasupkeun deui kana lomari. Sapeupeuting Hideung polos nyeungceurikan na- sibna. Saré sotéh bakat ku capé tas ceurik. Tibra da nyempod manéhna mah di juru lomari, rada anggang ti nu séjén. Pabeubeurang manéhna kahudangkeun ku nu garandéng. Horéng Marun rék mangkat deui, dijajapkeun ku nu séjén nepika panto lomari. Orén mah maké jeung ngagabrug sagala, nyeungceurikan, kawas nu moal panggih deui wé. “Kuring mios nya, kadé titip lomari bisi aya nu ngagotong, “ pokna bangun bungah, nu séjén nyéré- ngéh. Baju Hideung polos mah teu wani deukeut, ing- gis diécé deui. “Kuring rék indit sam- inggu da cenah rék dipaké ka acara kariaan di luar negri,” cek Marun, geus mimiti agul deui. “Wah, hébat nya, kuring mah saumur jadi baju can kungsi dipaké ka luar negri,” cek Konéng bangun nu sirik. “Di dinya mah baju murah, jaba modélna gé out of date. Ngérakeun atuh di- papaké ka acara berkelas mah,” témbal Marun. Konéng langsung jempé bari kuraweud. Matak Hideung mah teu hayang miluan ubral-obrol jeung Marun téh da kitu, mun ngomong padu engab waé, tara ieuh mikiran ngeunaheun henteu omonganna téh ka batur. Euweuh Marun mah rada tiiseun lomari téh, taya nu ditanggap da taya nu sok ngagul-ngagul manéh. Bé- jana mah saminggu, tapi geus rék sabulan Marun can balik deui kana lomari. Lain ukur Biru, Orén, Beureum jeung nu séjén, dalah Hi- deung polos gé ngarasa le- ungiteun. Euweuh Marun téh taya nu ngaléléwé, taya nu ngécé ka dirina. Anéhna, Hideung Polos ngarasa aya nu kurang. Matak basa caf- tan Krém balik, manéhna geuwat nanya. “Manggih béja ngeunaan Marun, henteu?” pokna. Caftan Krém teu buru-buru némbalan, ngadon neuteup leleb. “Ih, ditanya téh !” “Tuda anéh, padahal Marun téh kurang kumaha ngéwa ka di dinya. Tapi dibandingkeun jeung nu séjén, di dinya nu ti heula nanyakeun manéhna,” cek Captan. Baju hideung polos ukur kéom dikitukeun téh. “Nya éta kieu, aya béja teu pikangeunaheun.” “Wah, kumaha kitu?” Hideung polos geus teu sabar. “Basa di tempat laundry nu biasa, kuring ngadéngé béja, Marun rangsak, awakna teu mangrupa,” cek caftan Krém. “Naha kunaon?” Hideung polos teu bisa nyumput- keun kapanasaran. Aya rasa kahariwang. “Cenah mah kabanjur inuman di tempat kariaan. Sakitu geus dikeueuman gé, urut inuman téh napel kawas dahdir dina bantal. Bakat ku panasaran digecek cenah ku rupa-rupa deter- jén. Tapi lain beresih, kalahka soéh. Ayeuna mah Marun jadi kékéséd di lawang dapur,” caftan Krém mungkas caritaanana. Hideung polos ngahuleng sajongjonan. Sanggeus Caf- tan Krém merenahkeun manéh dina gantungan baju, lalaunan manéhna ngoléséd ka juru lomari, tempat biasa merenahkeun manéh. Bagja awak milik diri, geus titis tulis ti dituna manéhna jadi baju purah nganganteur ka nu gering atawa ka kuburan. Enya ge- uning, mungguh hirup di dunya taya nu lana. Hideung polos jadi ngarasa tingtrim di juru lo- mari nu haneut téh, geus taya Marun nu sok ngahina ka manéhna. Komo basa tepung jeung Marun nu ngahodhod di lawang dapur, aya rasa karunya anu séséléké suméléket jero haténa ningali Marun jadi kékéséd.*** Purwakarta Juni 2013. Panglawungan 13.
  22. 22. 22 Manglé 2440 K eur gogoléran di kamar ka- déngé sora dulag ngadu- lugdag. “Alhamdulilah isuk mi- miti puasa,” ceuk kuring ngomong sorangan. Indung barudak norojol. “Enjing ngawitan saum?” “Kapan étah sora dulag ngaduluglag, éta téh per- tanda yén saum enjing dimimitian.” “Di blok kurupuk kunaon tos ti kamari?” “Keun wé teu kudu dipa- sualkeun, itu-itu urang- urang. Husus keur urang tuturkeun katantuan ti pa- maréntah ngaliwatan menteri agama ... Jadi urang mah lahaola waé ngawitan saum téh dinten enjing!” Indung barudak ngahu- leng. “Kunaon kalah ngahu- leng?” “Moal ramé lebaran ayeuna mah.” “Har ... Naha?” “Tos teu aya Abah ...” “Taah dina sual ieu ogé teu kudu dibahas deui sabab geus ditangtukeun ku Alloh yén Abah kudu mu- lang taun kamari. Lamun ku urang dibeungbeuratan, karunya atuh ka nu geus mulang.” Indung barudak ngaléos kuring nu ngahuleng. Piki- ran kumalayang ka alam sataun katukang. Ti anggalna kénéh budak duanana ngerewih hayang lebaran di lembur, hayang ngajaran buka puasa di lembur. “Bapa libuma sadinten méméh lebaran, THR ogé dibagikeun sapoé méméh lebaran. Piraku kudu bo- los?” “Libur atuh Pa nyuhun- keun ijin sadinten, piraku teu diijinan. Lebaran Kamis urang ka lembur Salasa.” Kuring ngahuleng. Sakitu Carpon Dedi Asmarahadi LebaranTaunKamari
  23. 23. Manglé 2440 23 dibobodo THR dibagikeun sapoé méméh lebaran ka- hayangna teu beunang dicaram. “Nya heug atuh ari maksa mah.” Barudak duanana surak. Terus terang ngadon puasa di lembur téh sabenerna rasa horéam. Keur mah hawana panas leuwih ti Jakarta, katurug-turug Abah sang mitoha panatik pisan dina bagbagan agama. Unggal amprok pasti nanya “tos solat?”. Méméh buka puasa dibéré caramah heula ngeunaan bulan puasa bulan nu pinuh berkah pikeun umat Islam. Kacida dorakana lamun nepi ka teu puasa ! Alus pisan mitoha kitu téh sabenerna mah, ngélingan supaya anak, incu, jeung minantu salawasna nga- jalankeun parentah Alloh. Ngan nyakitu kusabab mindeng teuing antukna jadi kaluman. Asa kurang pantes ka kolot samodel kuring dipapatahan siga ka budak. Poé Salasa kuring sabondoroyot miang ka lembur. Saran ti budak nu cikal kudu indit jam 10 isuk-isuk supaya datang ka lembur teh deukeut ka ma- grib. Numatak lamun mobil rada laun sok dititah di tarikeun bisi kamagriban cenah. Nepi ka Rancaékék mobil ngalaunan tuluy eu- reun. “Kunaon Pa?” “Tingal wé.” “Macet Pa?” “Macet ... aya-aya waé dirurusuh téh!” ceuk ku- ring kukulutus. Padahal na jero haté mah atoh bakal kamagriban teu buka di lembur. Macét di Rancaé- kék macét nu luar biasa ma’ lum téréh lebaran loba nu mudik. Mobil maju dua méter, reg deui. Pleng lila teu maju. Buka puasa téh kakara nepi ka Limbangan, ngabatalan nginum akua, barangdaharna bacang jeung tahu goréng. Nepi ka Malangbong macet deui kapegat ku nu jaralan liwat Wado. Di Gentong macet deui wae datang ka lembur jam 2 janari. Geus sasala- man jeung mitoha kuring langsung ngagoler. Suku carangkeul balas nincak kupling jeung erém. Jam tilu indung barudak ngahu- dangkeun ngajak saur. Kuring gideug. “Saur heula Pa.” “Pangalaskeun wé ka- dieu.” “Itu Abah ngantosan.” Ngadéngé ngaran Abah kuring hudang. Léos ka tengah imah geus pada narungguan. Dipaksakeun dahar ukur tilu huap. Geus kitu mah kuring saré deui, lilir-lilir jam 11 beurang. Kusabab beuteung karasa lapar. Keur mencetan beu- teung indung barudak nyampeurkeun. “Kunaon Pa?” “Kasakit maag karasa.” “Kumaha atuh? Tahan wé.” “Teu kuat peurih.” “Naon atuh da teu aya tuangeun.” Kuring teu némbalan. “Ka pasar domba wé atuh ka warung Uwad ...” “Dagang kituh?” Kuring curinghak, sabab warung Si Uwad téh kawanter ngeu- nah pasakanana. Oseng genjer lada pasakan Jawa, lauk asin tawes jeung goreng jéngkol. Teu ta- langké kuring mandi dang- dan rurusuhan. “Ari Abah kamana?” “Wayah kieu mah paling gé ka balong.” Datang ka pasar domba kuring nempoan heula nu daragang japati, api-api padahal nempoan bisi Abah aya di dinya. “Weey urang Bandung yeuh!” Si Utay batur sakelas keur di SR nyampeurkeun. “Iraha datang?” “Tadi peuting!” “Macet?” “Lain macet deui datang jam 2 janari!” “Kumaha Persib euy?” “Kumaha naon?” “Juara moal?” “Waah moal atuh? Per- sipura moal kasusul.” “Enya aralus maraéna tah Si Kehed téh!” “Is puasa euy! Batal puasana.“ “Bae da teu puasa hé hé” “Si Monyong! Angger waé kalakuan téh.” “Kumaha guruna.” “Saha guruna téh?” “Nya manéh! Kabéh gé urang dieu mah geus nyaraho urang jeung manéh sawelas duawelas.” Kuring nyéréngéh. “Ari manéh rék kamana? Meuli manuk?” “Rék ka balong urang mah!” “Ka balong ? Naha jalan ka dieu da balong manéh mah jalan ditu?” “Kumaha urang wé atuh!” “Kaharti ... kaharti ari kitu mah.” “Kaharti naon siah monyong?” “Rek ka balong Si Uwad nya he he he” “Puasa urang mah!” “Tong loba alesan hayu ku urang dianteur.” Si Utay metot leungeun ku kuring dikepeskeun. “Ke heula atuh!” “Naon deui?” “Bisi aya Si Abah! Maneh pan apal kumaha pa- natikna Si Abah.” “Bieu pisan can setengah jam aya didieu.” “Kamana ayeuna?” “Paling ka balong ... hayu ah geus teu kuat lapar yeuh. Goréng jéngkol, asin sambel jeung oséng génjér maké rombéh ciri khas Uwad ha ha ha” Pundak kuring dikaleng bari indit. Hareupeun warung kuring ngarandeg. “Naon deui?” “Maneh tiheula!” “Nya manéh atuh da manéh mah tamu.” Kuring nurut. Panto warung dibuka lalaunan, dijero teu kurang ti 20 urang keur dalahar. Kuring ngajanteng bari nempoan beungeut-beungeut nu keur dalahar dipapay sau- rang-saurang. Palebah nempo nu keur cacamuilan di juru, kuring reuwas. Panon teu lésot bari haté ratug. Jelas pisan nu keur cacamuilan téh Si Abah mi- toha kuring. Barang anje- unna cengkat nempo ka lebah kuring, katingal pisan reuwasna. Socana plohok, pingping hayam nu digegel siga nu napel asup henteu ragrag henteu. Teu lila mitoha ngagupayan. Kuring nyampeurkeun. “Calik di dieu Cep, caket Abah ...” Kuring diuk gigireunana. “Ka nu di bumi mah ulah wawartos nya!” Kuring unggeuk. Poe eta mangrupa poe kabagjaan pikeun kuring. Beuteung seubeuh deut weuteuh da dipangmayarkeun ku mi- toha. Ti saprak harita mi- toha tara panatik deui. “Apa tos ka cai? Kalah ngahuleng!” Indung baru- dak norojol muyarkeun lamunan. “Tos bedug kitu?” “Tos ti tatadi!” témbal in- dung barudak bari ngaléos kaluar. Kuring ngahuleng. Leungeun duanana rang- gah bari panon dipereum- keun. “Hapunten abdi Abah ... sanes ngomongkeun mung asa kaémutkeun ... mugi- mugi Abah ngaraos tenang di alam kalanggengan... Amin.***
  24. 24. 24 Manglé 2440 K eur jaman aya AbahDukun Juhadma, sakur urusan goib nu kajadian di lem- bur Pasir Bulistir, pasti jadi bageanana. Nu gering, nu ci- laka, nu kabadi, nu kasuru- pan, jeung sajabana, nu dipa tula-patalikeun kana kahiru- pan alam jurig, jin, onom, setan, siluman sileman sapa- rakanca, Abah Dukun Juhadma bageanana. Bakat ku geus legok tapak genteng kadek, Abah Dukun Juhadma mah, tara kudu nenjo heula jalma nu kasibat. Karek dibejaan Si Anu ngage- rebeg kasurupan, langsung we Abah Juhadma nyarita : “Lah paling dideukeutan ku balad-balad Si Zalitun eta mah. Lain tadi subuh ka pasar ?”cek Abah Dukun yakin pisan. “Enya, Abah. Pan unggal ja- nari ge si eta mah matuh ka pasar,”tembal nu ngabejaan. “Keun bagean Abah… sayagikeun bae lalawuh matuh keur ngusir nu teu pararuguh. Heueuh, duwegan ngora, surutu, patukuyan,nu pokona heula. Keun kabutuh sejenna mah engke, geus puguh adu hareupan….” Duwegan ngora, surutu, parukuyan, memang senjata andelan Abah Dukun keur ngusir jurig nu datang ngusik- ngusik kahirupan manusa. Nu gering kumaha bae, asal pa- nyakit holna ti jurig, sok dia- songan parukuyan ngebul ku puruluk menyan. Dibura ku cai duwegan. Diserebung haseup surutu. Malah lamun jurig mantangul,jalma nu kakeunanana, kudu diulasan getih hayam rengge, adonan surabi, atawa naon bae nu ceuk Abah Dukun dikudu- keun. Hasilna, sakapeung jurig teh gancang nyingkah. Sakapeung hese beleke. Kungsi Mang Sarkon ngagerebeg. Ukur satengah jam geus eling deui. Terus ngalempreh. Gering biasa. Panas tiris meunang sami- nggu. Tapi Nyi Murniah mah, nepi ka tilu jam adug lajer. Kasarumahan jurig rupa- rupa. Jurig ti kidul, ti kaler, ti kulon, ti wetan. Malah ti sesela bumi jeug sisi langit sagala rupa. Ceuk nu nyak- sian, lamun lain Abah Dukun Juhadma nu ngayonanana, teuing kumaha nasib Nyi Murniah. Meureun eta randa geulis ngora keneh the pasti diboyong ka mana boa. Di- jadikeun prameswari mahluk nyiliwuri. “Untung Abah Juhadma tagen jeu tapis. Ku nu kumaha wae oge moal bobor karahayuan, “ceuk Omonm nu mindeng nandean surut urut atawa sesacai duwegan sanggeus meunang paidin ti Abah Dukun. Duka sabaraha puluh taun Abah Dukun Jumad jadi tunggul lembur dina nyang- hareupan sinuku siwulu-wulu ti alam beh ditu. Boa moal ku- rang ti genep puluh taun. Apan Komar nu ayeuna nin- cak umur 40 taun, keur umur lima taun, disunatan ku Abah Dukun Jumad. Da sajaba ti ngadukun teh, Abah Dukun Jumad ge ngarangkep jadi bengkok. Tukang nyunatan. “Ayeuna Abah Dukun Jumah hirup keneh. Wanian keneh ngalawan jurig. Han- jakal teu nurun ka anak- anakna,”Komar cacarita ka batur-baturna sabot ngaronda di garduh. “Mun basa ilaing disunatan umur tilu taun, Abah Dukun umur harita umur 40 taun, meureun ayeuna umurna geus 77taun nya, “Ganda, guru honorer di SD nu ngan hiji-hijina di wewengkon eta, nembrong. “Moal kurang ti sakitu… malah leuwih ge teu mustahil Saratus taun upamana,” cek Komar deui. “Paingan atuh, beuki sakti tambah gagah, dan bejana nu ngulik elmu pahodaman mah, beuki kolot beuki kebel elmu- na,”Mansur, tukang domba, ngengklokan. “Ngan ku nana- haon anak-anakna, komo incuna, euweuh nu hayang nuturkeun nya.” “Teuing atuh. Bejana beurat sarat-saratna hayang jadi dukun lepus teh. Kudu ngisat awak, nyengker hawa napsu, katut rea-rea deui, sangkan martabatna leuwih hebat ti batan jin setan nu are dila- wan,” Komar nerangkeun. “Heueuh, komo cenah kudu dimimitian ku puasa mutih. Ngusir Jurig Ku H.Usep Romli HM
  25. 25. Manglé 2440 25 Opat puluh poe opat puluh peuting teu kararaban nanaon.Mati geni bari ngadaplok di para hawu. Tempo buka, heueuh geus opat puluh poe opat puluh peuting puasa, ukur ngaregot cai herang…..”Mansur nerangkeun. “Saha nu daek jaman kiwari kikituan, sain- cak-incak dahareun wungkul. Geura we ari uing nyiar domba ka pilemburan, teu weleh ngangseu seungit pasakan ti unggal imah. Bangsaning gurang-goreng, ungan-angeun…” “Malah ceuk beja, nepi ka ayeuna ge Abah Dukun mah tara dahar sangu beye atawa pulen. Eta we bangsa kerak garing, cangkaruk mulud, aron….”cek Komar.” Malah lalab-lalab bangsa kangkung, genjer, saladah, katut nu leuleus-leuleus mah, dicadu- keun. Cenah mun hayang lalab, Abah Dukun mah ngala daun hampelas atawa reung- has, dicoelkeun kana sambel cengek wungkul….” Geus lima taun ti barang diomongkeun di garduh, Abah Dukun Juhadma maot. Biasa we sakumaha maot mahluk hirup. Gering heula, terus sakarat, nepi ka lesna ngaleu- paskeun nyawa. Diurus sakumaha mayit jalma Islam. Komo aya salah saurang in- cuna, nu masantren nepi ka hatam, nu geus biasa ngaw- eredonan, ngaboehan. Nepi ka nyalatkeun jeung ngurebkeun sarta nelekin. Duka geus terus rasa yen akina maot bakal pada ngomongkeun, duka ngajaga kamungkinan sumebarna kagorengan salelembur,beres nyalatkeun di tajug, Ujang Sarmin, incu Abah Dukun Juhadma nu geus nyangking tetelahan Ustadz Amin, menta persaksian heula ti nu nya- latkeun. Yen akina teh jalma iman jeung Islam. Sanajan keur hirupna kaceluk jadi dukun, hiji pagawean nu dicempad ku aturan agama, jeung dilarang keras ku Alloh SWT katut RosulNa, tapi dipi- harep henteu pukah kaimanan jeung kaislamana. “Ieu perlu ditandeskeun, “cek Ustadz Amin. “Bisi engke aya isu, pajah bakal aya ririwa. Arwah marakayangan. Heg neumbleuhkeun ka Abah, pun aki. Lantaran tadi geus disak- seni ku sarerea, yen Abah teh iman jeung Islam, tangtu bakal siap nanggung risiko di alam kubur. Mun Abah keng- ing rohmat Alloh mangrupa rohmat kubur, bakal betaheun di dinya. Moal kudu ngulaya- ban ka alam dunya. Kitu deui mun kudu nandangan siksa kubur, nya kumaha pibisaeun ngejat ? Komo ngaririwaan nyingsieunan jalma. Nepi ka masjid ngagadak sepi. Taya nu berjamaah magrib, isa jeung subuh. Pajah teh sieun ririwa. Komo pasaran urut ngago- tong mayit nanggeuh luareun paimbaran.” Tapi dasar uyah tara tees ka luhur, Ustadz Amin ge bet kapeto kudu daek ngubaran jalma-jalma gering nu kasa- rumahan jurig. Persis kawas akina baheula. Nya ditedunan be. Ngan sarat katut tata- carana jauh pisan jeung akina, Abah Dukun Juhadma je- natna. “Peryogi duwegan, Ustadz?” cek hiji jalma nu ngahaja ngogan, pedah anakna mojang jekekan meujeuhna menter, kasurupan ti isuk-isuk nepi ka rek lohor adug lajer keneh. “Kantenan we, raos meu- reun ngalandongan nu teu damang, ngaleguk heula cai duwegan,”tembal Ustadz Amin. “Jantenkangge Ustadz?” nu ngogan ngajenghok. “Muhun. Kangge saha kitu?” “Pedah we jaman tuang eyang mah, cai duwegan kangge arwah nu nyarumah.” “Keun we jaman aki mah. Pan ayeuna geus sagala robah.” Barang srog ka nu gering, ujug-ujug gorowok nu nyurup teh menta cai duwegan. “Entongm, entong dibere. Pan tadi ge eta mah hance- ngan abdi,”Ustadz Amin nye- gah. Atuh duwegan nu geus dipesek rek diasongkeun ka anakna, teu tulus, da gancang di jewang. Leguk ditotor disa- kalikeun. Eureuleu Ustadz Amin teurab. ”Na aya ciduwegan amis- amis teuing. Lebar mun kudu diinumkeun ka jurig. Cing tarok, keruk kalapana. Sakalian jeung kurud gula beureum….emh, kalapa jeung gula tea, pelem…..” Kawasna, jurig nu nyurup keuheuleun diledek. Budak abrug-abrugan, gogorowokan. Sorana agem. “Ahhaing mohoal nyingkah lahamun caahan dibehhere ngihhhinum cahhai duwege- han….” “Kuma sia…hayang mah ngala ku sorangan ka dituh. Naek, pesek. Nyapekeun batur !” Ustadz Amin molotot ka budak nu kasarumahan. “Ehhh…sssiihhhia sssahaaa wani wani ngalawahhan aing?” sora jurig muni deui. “Aing jelema. Tangtu wani sabab harkat darajat aing leuwih mulya batan sia nu ukur bisa nyelegon dina jasad jalma !”Ustadz Amin nyentak. Jurig teu eleh geleng. Pok nyarita deui : “Eh sia….teu nyaho aing saha?” “Nyaho !”gancang Ustadz Amin nembalan ku sora teugeug.”Sia lain lain Si Jali- tun jurig pasar, pasti Si Wasi- nun nu sok nyilakakeun batur. Atawa Si A’was nu sok ngage- bruskeun jalma kana maksiat. Teu mustahil sia Si Hilaf, tukang mabok inuman keras. Atawa Si Murrah nu gawe ngengklak dina raramean… .Aing apal ka kabeh balad sia… ka Si Laqus nu tukang nya- sarkeun akidah manusa, ka Si Mussawit tukang nyebarkeun beja infotai. Ka Si Dasim nu sok ngadodoho di juru imah. Ka Si Walhan tukang ngagoda jalma nu keur ibadah jeung amal soleh….Sok sia ngaku !” Ustadz Amin nunjuk rorek. “Lain…lain…Aing mah Raja Gunung Kucubung…. Piraku sia teu engeuh !”jurig nem- balan. “Teu..teu…aing teu wawuh ka raja kajajaden kawas sia. Ngaku-ngaku raja Gunung Kucubung. Cing aing neuleu bisluitna…..Mun ka Raja Arab Saudi aing apal…ka Raja Brunei, ka Raja Inggris…sana- jan ukur tina tivi oge. Ari sia? Mun enya raja mah…meureun saia kasohor, kaberitakeun dina media. Gunung Ku- cubung, huhh….tempat nyayang bedul……”Ustadz Amin ngajejeleh. “Deuleu siah mata aing, disebrot siah…nepi ka sia serab…..”jurig masih keneh satekah polah ngalawan “Sok ka dieuh !”Ustadz Amin mencrong panon nu ka- surupan kalawan teungeung jeung wibawa. “Sok aing sebrot…serab keneh ku batre siah, batan ku sorot panon sia….” Jurig teu kuateun ngadu pe- long. Kelemes, kelemes, guprak nu kasurupan leuleus. Ngalenggerek sakedapan. Tuluy lilir bari morobot istig- far. Eling weh. “Tah mun kitu ti tadi istig- far. Pasti moal kasurupan jurig jarian….tadi lila teuing di cai nya?”Ustadz Amin ngalelekan. Dijawab ku unggeuk. Geus puguh budak cageur, Ustadz Amin mapatahan kolotna, sangkan telik ngaping ngajaring laku lampah budak sapopoe. Kudu daek mapata- han. Nyaram kana salah, nitah kana bener. “Tadi ieu Si Eneng ngadon nyirekem di cai aya kana dua jamna, nanahaon gawe atuh ?”Ustadz Amin ngalelekan. “Da….da…rerencangan nga- hape wae dugi ka abdi teu kaur brus mandi,”jawab budak ABG semu era. “Tah kudu digeung- geureuhkeun atuh ku emana jeung ku abahna,”Ustadz Amin ngawawadian ka kolotna. “Nyeta tara daek dicaram budak teh, Pa Ustadz,”jawab indungna hareugeueun. “NYa ari embung dicaram mah, keun bae atuh sina ung- gal waktu kasarumahan…”Us- tadz Amin nyungkun. “Punten Ustdaz, dupi eta murangkalih kasarumahan jurig naon?” hiji awewe kolot nanya. “Ku jurig cai, bongan nyirekem dua jam di cai. Terus ku jurig hape, bongan terus-terusan hahapean, nepi ka poho kana nanaon. Nu kitu tah pikaresepeun jurig,”Us- tadz Amin pamitan ka pribumi.***

×