2. 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-
marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM
Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S, Ade.
H
ak jeung kawajiban warga nagara mah sarua.
Satata! Taya nu istiméwa! Kitu kalungguhan
masing-masing sélér bangsa di ieu nagri gé.
Kumaha ari urang Sunda? Nya tangtu wé, kawas sélér
bangsa séjénna di Nusantara, satata téa.
Najan kitu, dina ‘babak’ kapamingpinan lima taun-
an mah, sélér bangsa nu jumlahna leuwih loba téh bisa
boga kapunjulan. Lantaran, dina pilihan langsung keur
pamingpin, kakuatan rahayat téh rohaka naker.
Dina pilihan umum unggal taun, sora rahayat boga
kakuatan anu rohaka. Masing-masing sora bakal jadi
tanaga dina nangtukeun pamingpinna. Hartina, leuwih
loba jumlah padumukna, kakuatanana ogé bakal leuwih
tohaga. Nilik ka dinya, pantes pisan upama urang
Sunda boga kakuatan dina nangtukeun kapamingpinan
nasional. Padumuk Sunda nu jumlahna kadua pan-
globana di Nusantara, samistina jadi gambaran kaku-
atan urang Sunda di Nusantara anu dibalitungkeun ku
pihak mana waé.
Upama urang Sunda ngarasa boga kamampuhan nu
satata jeung sélér séjénna di Nusantarana, mémang
merenah. Malah, nilik kana poténsi nu nyampak, tatar
Sunda téh tetep dibalitungkeun ku pihak séjén. Apan,
rupa-rupa kagiatan partéy pulitik nu sipatna nasional,
loba nu milih Bandung (Jawa Barat) jadi tempat
ngélébétkeun bandérana. Hartina, Tatar Sunda téh
boga pangaruh keur pihak-pihak nu boga karep
ngalalakon di tingkat nasional.
Mitra Manglé,
Tumali sareng kalungguhan Sunda di Nusantara,
Manglé nomer ieu édisi 2470 rubrik tamu, ngolongan
pamendak Dr. Deden Ramdan, M.Si., Wakil Rektor III
Bidang Kamahasiswaan & Alumni Universitas Pasun-
dan (Unpas) Bandung. Inyana mah yakin, urang Sunda
gé loba nu pantes jadi pamingpin di tingkat nasional.
Asal, cenah, urang jeung urang bisa silihrojong, silih-
gedékeun. ***
Lain Bangsa Kelas Dua
LLawangSakéténg
3. LAPORAN
Kang Uu
Umajak Nguatan Jatidiri Sunda
........................................................... 8
IMPLIK-IMPLIK
Hj. Ella Girikomala;
Di Swiss Tibelat ka Tatar Sunda
........................................................ 10
M. Budiana, S.Ip., M.Si.
Babakti ka Nagara
Maslahat keur Balaréa .................... 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Gedong Sate ...................................... 42
Katumbiri .......................................... 51
Bale Bandung .................................... 50
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
5
TAMU
Dr. Deden Ramdan, M.Si.;
Sunda Lain Bangsa Kelas Dua
Potret:Reisyan
Angin soré suar-séor, ngotélan dapuran
gombong. Langit reueuk dipasieup
geleger gelap lapat-lapat. Uncuing man-
ting ti jauhna mirig kosrékna léngkah
mapay tanjakan jalan satapak. Ngahaja
cunduk ka ieu wengkon ninggang dina
lain mangsa ambéh nyalsé tur karasa
khusuna dudunga. Rekét panto bébékan
awi ngahudang kukurayeun tapi keur
kuring teu béda ti wirahma kakangen....
Karémbong Sutra Kayas
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
JAGAT WANGWANGAN
(Kaca 17-40)
4. 3Manglé 2470
KKacaTilu
Tionghoa téh Cina
D
ina urusan nyanghareupan
Cina moal aya bangsa anu ri-
weuh sakumaha anu kaala-
man ku Indonesia. Lain dina urusan
diplomasi atawa dagang. Ieu mah
dina lebah sesebutanana.
Siga teu pira, tapi nepi ka jadi
urusan nagara. Malah lain sakali dua
kali. Keur anu kungsi ngalaman
saméméh kajadian 30 Séptember
1965, nu ilahar harita sesebutan
urang ka Cina téh nyaéta Tiongkok
jeung Tionghoa. Nyebut Tiongkok ka
nagarana (istilah resmina Republik
Rakyat Tiongkok, RRT), ari ka
bangsana nyebutna téh Tionghoa.
Éta téh dumasar kana kaputusan
resmi ti nagara. Tapi papadaning
kitu nyebut Cina gé ilahar. Jeung teu
jadi masalah.
Urusanana jadi béda sanggeus
ngadegna Orde Baru. Sesebutan
Tiongkok jeung Tionghoa diganti ku
Cina. Nagarana disebut Republik
Rakyat Cina, RRC), kitu deui ka
bangsana. Nu nyebut Tiongkok
jeung Tionghoa geus teu pati
kadéngé, dina ayana gé ngan sakali-
kalieun. Kadieunakeun anu sok nye-
but kénéh Tiongkok téh diantarana
Dahlan Iskan.
Tapi sesebutan Cina (jeung
kumaha nuliskeunana téh) ahirna
jadi masalah. Aya anu nulis Cina aya
ogé anu China. Di sagigireun éta sok
ayaa deui anu iinggrisan, nyebutna
Chinese. Pangna jadi kitu téh lan-
taran cenah aya sawatara urang Cina
anu teu tarima lamun disebut Cina,
hayangna China. Naon bédana?
Cenah sesebutan Cina mah ngahina,
ari China mah henteu. Kumaha nepi
ka bisa kitu? Naon sababna urang
China ngarasa dihina lamun disebut
Cina?
Nurutkeun aturan éjahan di
urang kiwari mémang anu bener
mah lamun ditulisna Cina. Tapi lan-
taran ngaragangan ka anu teu panu-
jueun téa, aya anu keukeuh
nyebutna China. Anu kitu téh kaasup
koran Kompas. Padahal dina tra-
disina mah ieu koran téh salawasna
tukuh kana aturan éjahan basa In-
donesia. Lebah nuliskeun China
mah cenah aya patalina jeung urus-
an dagang, babakuna iklan. Duka
naha bener lamun nulisna Cina ik-
lanna bakal saat atawa ngan kasieu-
nan wungkul.
Boh nulisna China boh Cina,
sababaraha kali diadurényomkeun
dina tulisan. Rupa-rupa pamanggih-
na téh, sanajan taya hiji gé kacin-
dekanana.
Duka lantaran merhatikeun
polemik duka pédah diharéwosan ku
Dahlan Iskan, ahirna mah pamarén-
tah SBY kalawan resmi netepkeun
aturan. Lain China atawa Cina,
cenah anu bener téh Tiongkok jeung
Tionghoa. Hartina, balik deui kana
katangtuan jaman Orde Lama. Jadi
ti mimiti ayeuna mah resmina téh
lamun nagarana Tiongkok, lamun
bangsana Tionghoa.
Aya anu anéh sabenerna mah.
Salian ti urang pribumi, di urang téh
teu kurang-kurang turunan bangsa
deungeun anu geus jaradi wargana-
gara Indonesia. Aya urang Arab, aya
urang India, aya urang Pakistan.
Tapi keur nu ieu mah sesebutanana
téh saumurna gé teu kungsi jadi
masalah. Ka urang Arab nyebut téh
ti baheula nepi ka ayeuna, nya Arab
baé. Ka urang India nya kitu deui.
Sigana mah nyokona téh dina
sikep nagara urang anu néplak
sakumaha anu kajadian dina jaman
Walanda. Harita, ku pamaréntah
kolonial urang Cina nu araya di
urang diperenahkeun kalawan
husus, nyaéta dina urusan ékonomi.
Sikep kitu téh terus lumangsung
nepi ka kiwari.
Ti jaman Orde Lama gé mémang
perkara urang Cina nu aya di urang
téh jadi masalah. Harita mah aya nu
disebut hoakiauw, nyaéta urang Cina
nu araya di urang. Mimiti teu meu-
nang aya warganagara dobel, Cina
ongkoh Indonésia ongkoh. Kudu
milih salasahijina. Nepi ka kungsi
kajadian anu milih warganagara
Cina dijurung sina baralik ka ditu.
Tuluy aya deui aturan supaya ngaran
Cina diganti jadi ngaran Indonesia.
Sanajan aya anu nurut, upamana
Soe Hok Djin jadi Arief Budiman,
teu kurang-kurang anu keukeuh
maké ngaran Cina, malah nepi ka
ayeuna, upamana waé Kwik Kian
Gie. Padahal Kwik Kian Gie, henteu
kahalangan ku ngaranna, apan
kungsi jadi mentri dina pamaréntah-
an Republik Indonesia. Sanajan
ngaranna angger Cina, tapi da jalma-
jalma pantar Kwik mah geus sagem-
blengna ngarasa jadi bangsa
Indonesia, cenah.
Jadi naon bédana atuh antara
Cina jeung Tionghoa téh? AM
5. Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Kumaha damang Nyi
Manglé? hapunten awis
tepang pisan sareng Nyi
Manglé. Ma’lum simkuring
ayeuna ngalih pancén tugas
ka luar Jawa Barat. Atuh
mendakan Manglé ogé sok
tina Facebook waé.
Nyi Manglé, simkuring
kataji pisan ku sapalih ka-
mandang Manglé nu
dipidangkeun dina facebook
majalah sunda manglé. Di
antawisna ngajak baraya
sangkan ulah kaduhung
jaga, boh dina widang poli-
tik, ékonomi atawa dina
widang sosial. Keur simkur-
ing mah, éta téh kacida pent-
ingna keur kamajuan urang
Jawa Barat.
Simkuring ogé kantos
maos situs Manglé nu mi-
dangkeun lahan tatanén di
Jawa Barat nu beuki dieu
beuki ngaheureutan. Lahan
geus salin rupa. Nu tadina
Bandung hawana seger,
cenah geus robah jadi
hareudang bayeungyang.
Kituna téh meureun alatan
pangwangunan di Kota
Bandung nu kirang mer-
hatikeun lingkungan.
Buktosna mémang leres
pisan. Nu kapungkur
wilayah Riung Bandung
jeung Gedébagé lahan
tatanén, pasawahan, ayeu-
na jadi loba pabrik, loba
wawangunan nu cenah keur
rupa-rupa usaha.
Mémang nu kitu téh
bakal hésé nyegahna upama
saukur ku protés warga.
Margi éta téh sok paadu
jeung kapentingan pribadi.
Tapi cék simkuring mah
kuduna pamaréntah nu
gaduh kawijakan, masing
leres-leres nata ruang
pakotaan nu merhatikeun
lingkungan.
Kitu deui dina widang
politik. Kiwari keur
mahabuna usum baligopara
caleg nu rek ancrub kana
widang politik. Atuh nu
ngajareblag ogé lain ukur
urang Bandung atawa
urang lemburna sorangan,
dalah ngaran-ngaran nu teu
‘bersahabat’ jeung ngaran
Sunda, apan geus jéntré.
Tah, Bandung atawa
Jawa Barat jadi tempat
pakalangan nu ti mana nu ti
mendi dina widang politik
téh, keur simkuring aya ka-
hariwang. Pangpangna dina
urusan kanyaah kana
lingkungan nu leuwih
maslahat keur balaréa.
Eta deui nu nyalonkeun
ogé, cenah mah lolobana nu
eunggeus pernah jadi
anggota déwan. Hartina
lamun kapilih deui,
kaayaan bakal kieu-kieu
waé, alias moal robah.
Ku ayana kitu, keur
simkuring mah, umajak ka
sadayana sangkan ulah salah
milih jalma. Ulah jadi matak
kaduhung lamun ahirna pil-
ihan urang lain pimas laha-
teun tapi sabalikna jadi
matak pirugieun.
Kumaha ari dina widang
ékonomi? Enya, simkuring
ngabandungan téh, Ban-
dung geus jadi kota Jasa.
Hartina nu daragang ka
Bandung ogé bakal dipa-
pagkeun, bakal dihiap-hiap.
Ngan, cek simkuring
mah, sanajan kota Bandung
kota Jasa, tapi angger kudu
milih-milih jasa naon teu
ngarobah pola jeung
kaayaan Bandung nu sakitu
adem jeung tingtrimna.
Dina harti, kota Bandung
lantaran ahirna loba nu
barisnis, hariwang teuing
lamun ka dituna Kota Ban-
dung jadi lahan korupsi,
lahan nepotisme balukar
bisnis nu teu uni jeung atu-
ran undang-undang.
Ku kituna, simkuring
meredih ka sadayana, pang-
pangna ka pihak pamarén-
tah, masing bener-bener
bisa ngokolakeun lembur
kota nu martabat jeung nu
jujur.
Kitu deui ka wargana,
dina usum milih wakil
urang dina nalingakeun
pamaréntahna, kadé sing
asak-asak.
Sakitu anu kapihatur,
mudah-mudahan sasi-
eureun sabeunyeureun aya
mangpaatna. Atuh teu
hilap, ngahaturkeun réwu
nuhun ka sakumna Ais
Pangampih Manglé nu
parantos nampi ieu serat
dugi ka tiasa dimuat dina
Manglé.
Wasssalam,
Email:
khalika30@yahoo.co.id
Manglé 24704
KKoropak
Majalah Manglé
Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan
PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.
Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé
Jalan Lodaya No. 19 Bandung.
Telepon 022-7303438,
Hp. (Tuti) 0857 21307232
1.Siti Rayati
Rp. 19.000,-
2.Si Kabayan
Rp. 12.000,-
3.Ki Merebot
Rp. 25.000,-
Kadé Bisi Kaduhung
6. 5Manglé 2470
TTamu
Dr. Deden Ramdan, M.Si.;
Sunda Lain Bangsa Kelas Dua
D
i tempat kompanye, rahayat
merbayaksa, sabudeureun
panggung. Ngadédéngékeun
nu nebar harepan sorangeun
mangsa ka hareup. Pamandangan
kawas kitu téh ilahar naker dina
mangsa ganti kapamingpinan lima
taunan mah.
Ngeprak balad, ngumpulkeun
sora rahayat, dina usum kompanye
mah prah di mana-mana, kaasup di
Tatar Sunda. Nu ‘tarung’ di Jawa
Barat, ti mana waé asalna, butuh
‘sora’ pribumi. Saperti nu enggeus-
enggeus, wawakil rahayat ti Jawa
Barat nu jadi anggota DPR RI
mangsa bakti 2009-2014, lolobana
mah lain pituin Sunda. Hartina,
sélér séjén nu jadi wawakil ti Jawa
Barat, tetep miangna ka Senayan
mah lantaran sora ti Tatar Sunda.
“Jadi pamingpin téh hak sakumna
warga nagara. Atuh, urang Sunda gé
kudu ngarasa satata jeung pihak
séjén, ulah ngarasa jadi warga kelas
dua,” ceuk Dr. Deden Ramdan,
M.Si., Wakil Rektor III Widang
Kemahasiswaan & Alumni Univer-
sitas Pasundan, muka wangkongan.
Ngobrol téh di kantorna di Kam-
pus Unpas, Jalan Tamansari, Ban-
dung. Ngawangkong, pasosoré
bada lohor dina kaayaan di luar
hujan miripis matak tiris. Tapi,
pangaruh obrolan nu jejerna kapa-
mingpinan Sunda di tingkat nasio-
nal mah, hawa nu tiris téh robah
jadi ‘panas’. “Dina mayunan pihak
séjén, urang Sunda kedah gaduh
daya tawar anu jinek, nu dibalitung-
keun deungeun,” pokna tandes
naker.
Kang Deden (kitu katelahna),
nganggap urang Sunda boga ka-
mampuhan nu satata jeung sélér
séjénna di Nusanatara. Malah, nilik
kana poténsi nu nyampak, cenah,
tatar Sunda téh tetep dibalitung-
keun ku pihak séjén. Buktina, rupa-
rupa kapentingan partey pulitik nu
sipatna nasional, loba nu milih Ban-
dung (Jawa Barat) tempat
ngélébétkeun bandérana. “Hartina,
Tatar Sunda gaduh pangaruh
kanggo pihak-pihak nu hoyong
ngalalakon di tingkat nasional,”
ceuk ieu pituin Bandung téh.
Satata! Taya nu istiméwa! Kitu kalungguhan masing-masing sélér bangsa di ieu
nagri gé. Kumaha ari urang Sunda? Dr. Deden Ramdan, Doktor Minijmen
Politik Universitas Pasundan (Unpas) Bandung, medar pamanggihna.
Dr. Deden Ramdan, M.Si., Wakil Rektor III Unpas Bandung
7. Kalunguhan Jawa Barat, ceuk
Kang Deden mah, kudu jadi kakuat-
an keur urang Sunda. “Urang Sunda
gé kedah yakin, kakuatan nasional
téh ayana di saban sélér banga nu
aya di Nusantarana,” pokna.
Ngahijikeun Kakuatan
Dr. Deden Ramdan, M.Si., per-
caya, kakawasaan teu ngan ukur tu-
mali jeung kamampuhan. Da, lian ti
butuh pangabisa téh deuih butuh
pangrojong masarakatna. “Peryogi
pangrojong pihak sanés, pang-
pangna ti urang Sunda nyalira, ”
pokna. Balitunganana, leuwih loba
‘balad’ bakal leuwih boga kakuatan.
Ku lantaran kitu, ceuk Kang Deden
mah, jumlah sélér Sunda nu kadua
panglobana di Nusantara téh kudu
jadi kakuatan keur urang Sunda
dina makalangan ti tingkat nasio-
nal.
Dina pilihan umum, sora raha-
yat téh boga kakuatan anu rohaka.
Masing-masing sora bakal jadi
tanaga dina nangtukeun paming-
pinna. Hartina, leuwih loba jumlah
padumukna, kakuatanana ogé bakal
leuwih tohaga. Nilik ka dinya. Ceuk
Kang Deden, pantes pisan upama
urang Sunda milu ancrub dina ka-
pamingpinan nasional. Padumuk
Sunda nu jumlahna kadua pang-
lobana di Nusantara, samistina jadi
gambaran kakuatan urang Sunda
di Nusantara anu dibalitungkeun
ku pihak mana waé. “Asal urang
Sunda ulah sungkan nawarkeun
jeung némbongkeun kamampuhan-
ana geusan jadi pamingpin na-
sional,” pokna.
Akar kakawasaan, mémang tina
kakuatan rahayat. Atuh, saterusna,
calon pamingpin nu diasongkeun
ku pihak mana waé boh dina pilihan
legislatif boh pilihan presiden,
enas-enasna mah miang tina
kakuatan rahayat. Atuh, lobana
padumuk Tatar Sunda gé, bakal
jadi tinimbangan pihak-pihak nu
nyalonkeun ‘jagona’ jadi pamingpin
nasional. Mun nilik ka dinya, urang
Sunda, payus boga tempat dina
kapamingpinan nasional.
Dr. Deden Ramdan yakin, urang
Jawa Barat, payus milu ngurus-
ngatur ieu nagara. Lain ukur
tukang keprok atawa ngabring-
ngabring batur, lain ukur jadi
bobotoh deungeun deuih. “Mere-
nah upama urang Sunda seueur nu
ngagaduhan peran dina kapaming-
pinan nasional,” ceuk ieu Anggota
Kelompok Kerja Bidang Sosial Poli-
tik di Dewan Ketahanan Nasional
téh.
Upama Kang Deden yakin urang
Sunda boga kamampuhan keur jadi
pamingpin, mémang kabandungan,
cenah. Ceuk inyana mah, loba
kacida urang Sunda nu palinter dina
rupa-rupa widang. Hartina, dina
sual kamampuhan jeung paélmuan
mah, moal nguyang ka batur. “Kan-
tun ngahijikeun kakuatan urang
Sunda sakumna, ulah silih réngkas
jeung papada dulur,” pokna semu
ngingetan.
Dina milih pamingpin, Kang
Deden mah miharep, urang Sunda
silihrojong. Ngahiji nepikeun ka-
hayangna. Cindekna, ulah silih-
goréngkeun, ulah paraséa waé! Kitu
ceuk ieu panulis buku Komunikasi
Pulitik mah.
Ceuk pikir Kang Deden, saha
waé nu pangpayusna jadi paming-
pin ti Sunda, sawadina pada nga-
rojong ku sakumna urang Sunda.
Da, tangtu, cenah, ari kapentingan
mah rupa-rupa naker. Ngan, upama
éta kapentingan téh keur kamasla-
hatan urang Sunda, payus tur
merenah pisan upama meunang
pangdeudeul ti urang Sunda
sakumna.
Dina mangsana nangtukeun
pamingpin lima taunan, kacida
gumantungna kana kahayang
masarakat. Ngan, cenah, di antara
rahayat jeung calon pamingpin téh
bisa waé aya ‘jungkrang’ nu perelu
dicukangan. Bisa jadi salila ieu
masarakat teu pati engeuh kana
pentingna milih pamingpin nu
mihak kana kasundaan. Ku lantaran
kitu, ceuk Kang Deden misti aya nu
jadi ‘panumbu catur’ sangkan
pakarepan urang Sunda boga
pamingpin di tingkat nasional tine-
kanan. Saha nu ‘nyaangan’ masa-
rakat sangkan boga kasadaran daék
ngarojong kana ‘gerakan’ milih
pamingpin Sunda? Tangtu wé,
ceuk Deden Ramdan mah loba,
saperti organisasi-organisasi
kasundaan, kaasup Paguyuban Pa-
sundan.
Dr. Deden Ramdan, M.Si., yakin,
urang Sunda loba kénéh nu nyaah
ka sarakanana. Loba kénéh nu
nyaah ka dulur jeung ka lemburna
sorangan. Atuh, saterusna, masih
kénéh loba nu percaya upama loba
pamingpin teureuh Sunda, bakal
mawa kamaslahatan keur Tatar
Manglé 24706
Ngaluuhan acara gawe bareng Unpas jeung Pemda Pangandaran
TTamu
8. Sunda. Ngan, tangtu, cenah, hare-
pan-harepan saperti kitu téh kudu
dipatéahkeun ku pihak-pihak nu
gedé tanggung jawabna ka Tatar
Sunda.
Nyaah ka Sarakan
Deden Ramdan pituin Sunda.
Bibit-buitna ti wewengkon Sukajadi
Bandung. Ti leuleutik gé di Ban-
dung. Atuh, keur Deden mah, ieu
kota téh lain ukur pangancikan
raga, tapi deuih panineungan rasa.
“Kapungkur mah Bandung téh pi-
kabétaheun naker,” pokna ngumbar
panineungan.
Inget kénéh, cenah, mun isuk-
isuk indit ka sakola, hawa téh seger
naker. Mun leumpang mapay-
mapay jalan, bisa ngararasakeun
nyecepna ibun nu nyalangkrung
dina pucuk-pucuk dangdaunan.
Bandung nu kawas kitu, keur dirina
mah matak tibelat. “Ngan, mun
angger salah urus, bisa jadi Ban-
dung mémang juara, tapi lain juara
nu matak reueus, da bisa waé juara
caah, juara nyayeudna runtah,”
ceuk ieu urang Bandung nu lahir
taun 1963 téh.
Hirup dina budaya Sunda, keur
Deden mah gedé pangaruhna.
Apan, organisasi kapamudaan nu
diiluanana gé di antarana téh
Angkatan Muda Siliwangi (AMS).
Harita, keur ngora, mémang geus
ngarasa reueus ku kasundaan téh.
Atuh, tina AMS gé boga ‘kenang-
kenangan’ nu masih kénéh jadi
cecekelan laku-lampahna. Apan
keur urang AMS mah, di antarana
hirup téh ulah hianat ka batur,
jeung kudu panceg dina galur!
Keur mahasiswa, Deden kungsi
jadi pangurus Himpunan Maha-
siswa Islam (HMI) Cabang Ban-
dung. Tina éta organisasi inyana
loba diajar nyanghareupan rupa-
rupa pasualan. Atuh, harita mah,
biasa naker demo-demo nepikeun
aspirasi ka pamaréntah gé. “Benten
sareng ayeuna, demo harita mah
peurahan keneh,” pokna.
Ayeuna, cenah, saban jalma bisa
démo. Nu ditepikeunana, demo ki-
wari, sagala rupa. Pasulan ‘teu pira’
gé bisa waé demo atawa unjuk rasa.
“Ari kapungkur mah, mun démo téh
tangtos kanggo kapentingan masa-
rakat,” pokna nyoréang mangsa ka
tukang.
Tolab élmu di Unpas, babakti gé
di éta kampus. Jadi dosén Kopertis
Wilayah IV nu DPK-na di Universi-
tas Pasundan. Kituna téh, tetep
renggenek nepi ka kiwari.
Cekel gawéna, lian ti jadi dosén,
kapapancénan jadi Wakil Rektor
Bidang Kemahasiswaan & Alumni.
Pancen gawéna kitu, raket tumalina
jeung kamampuhanana. Resep ici-
kibung dina organisasi, jeung aktif
di luar kampus, jadi bekel dina
‘ngigelan’ jeung ngigelkeun ‘aspirsi’
mahasiwa. “Tanggel waler paguron
luhur kanggo nyiptakeun lulusan
anu mangpaat kanggo masarakat,”
ceuk ieu Dosen Teladan Kopertis
Wil. IV Jabar-Banten (1998) téh.
Kampus, ceuk Deden Ramdan,
sawadina jadi ‘munara cai’, lain
‘munara gading’, nu ukur éndah
jeung pikareueuseun ti kajauhan.
Ceuk dirina mah, kampus téh kudu
lir kérélékna cai, jadi ubar nu
hanaang. ***
7Manglé 2470
Ngadeukeutkeun kampus ka masarakat
Nyarengan Rektor Unpas dina acara Bakti Mahasiswa
9. Manglé 24708
Tempat lir tatapakan. Ti dinya pamiangan,
jeung ti dinya mimiti mekar. Éta pangna
kekecapan Kang Uu mah: ngajaga lembur,
akur jeung dulur, panceg na galur, lain
ukur semet lalambé, tapi jeung prakna.
Pok-prak, laju ditatalépakeun jeung
disebarkeun ka balaréa.
***
R
emen indit wanci janari, mudun ti
tonggoh ka lebak (apan pamatuhan-
ana di Cinangka, Ujungberung, di
suku Gunung Manglayang), mulangna deui
téh geus tengah peuting. Tah kitu, nu sok
karandapan ku Drs. H. Uu Rukmana, M.Si.
téh. Pikeun kulawargana, geus biasa ieuh
ditinggal-tinggalkeun kitu téh, da lain indit
natambuh laku, tapi pikeun migawé rupa-
rupa kagiatan anu patali jeung kapentingan
balaréa.
Kang Uu, kitu sesebutan akrabna, mé-
mang kagiatanana saabreg-abreg. Geus
puguhan ari di DPRD Jawa Barat mah, apan
nyekel posisi Wakil Ketua. Ancrubna kana
rupa-rupa kagiatan téh, di antarana
kapamudaan, seni-budaya, olahraga, jeung
usaha geus dibaladah ti umur wewelasan
taun, jaman sakola keneh di SMA Negeri 2
Bandung. Éta pangna Kang Uu mah aya di
mamana. Malah ka dieunakeun mah aktif
mupuhuan kapanitiaan pangwangunan
masjid.AnudikokojankuKangUudiantara-
na waé Masjid Raya Bandung Provinsi Jawa
Barat, Masjid Besar Ujungberung, jeung
MasjidDayeuhkolotanudinajerokompléks-
na diwangun kagiatan bisnis pikeun 300-an
padagang).
“Rék kagiatan naon waé, Akang mah sok
matalikeunjeungkapentinganSunda.Akang
hayang nempatkeun Sunda bisa cumarita,
jeung kudu aya di hareup,” ceuk ieu manten
Ketua DPD Partéy Golkar Jawa Barat téh.
Nya Kang Uu pisan ketua munggaran di éta
partéy anu kasang tukangna lain tentara.
Keunariléngkah-léngkahnadinawidang
pulitik mah babari katangenna. Dina widang
seni- budaya gé, Kang Uu milu ancrub
bobolokot. Ngurus penca, bénjang, tembang
geus jadi bagian tina kagiatan sapopoéna.
Apan ayeuna gé masih angger nyekel
kalungguhan Ketua Dewan Kurator Yayasan
Pusat Kabudayaan (YPK). Sawatara taun ka
tukang, Kang Uu jadi Ketua Dewan Pen-
didikan Jawa Barat. Ari dina urusan masjid,
ayeuna Kang Uu jadi Ketua Badan Pengelola
Masjid Raya Bandung.
Kang Uu apaleun kana kaayaan kahiru-
pan urang Sunda, da remen milemburan téa.
Mana komo jaman keur jadi Ketua Umum
Pangurus Puseur Angkatan Muda Siliwangi
LLaporan
Kang Uu
UmajakNguatanJatidiriSunda
Kang Uu teu weléh diarep-arep masarakat
Kang Uu nguatan kamandirian Sunda
10. 9Manglé 2470
(AMS) mah. Kang Uu enya-enya merjuang-
keun para kader AMS sangkan jadi paming-
pin di padésaan, upamana waé sina jareneng
kuwu atawa lurah.
Kang Uu pituin urang Gang Asmi, di te-
ngah Kota Bandung pisan. Ti leuleutik hirup
didinya,tijamanWalunganCikapundungsok
dipaké kokojayan (ayeuna mah pimanaeun,
da apan caina ogé sakitu kotorna balukar po-
lusi).KangUungarasaprihatinmunnengetan
babaturanana ti bubudak mimiti aringkah ti
kota, terus matuh di pasisian, lantaran lahan
di kota geus kalindih ku urang luar. “Sedih,”
pokna. Geuning urang Sunda nu maratuh di
kota beuki kasérédkeun.
Jejer obrolan jeung Kang Uu mah warna-
warni. Rék ngobrolkeun naon waé ogé, Kang
Uu mampuh ngabijilan carita, malah leuwih
jauhna ngasongkeun pamanggih. Tina
obrolan perkara naon waé, angger ari nga-
muaranamahkanakapentinganSunda,kana
kapentingan Jawa Barat, dina kahirupan
nasional Indonésia.
Sual Citarum, upamana, Kang Uu gedé
neundeun perhatian. Ieu walungan kareueus
warga Jawa Barat téh gedé pisan jasa jeung
mangpaatna. Moal kurang ti 25 juta jiwa anu
kahirupan sapopoéna gumantung ka éta
walungan, boh sacara langsung boh teu lang-
sung. Sumebar di saban tempat; ti mimiti
lebahsungapananadiBandungKidultugtepi
ka tatar kalér Jawa Barat, hususna
wewengkon Kabupaten Karawang. Geus
karuhan gunana pikeun tatanén jeung miara
lauk mah, malah jadi obyék wisata deuih.
Komo deui lamun nyaritakeun perkara
gedéna listrik anu dihasilkeun ti Bendungan
Saguling, Cirata jeung Jatiluhur. Lain keur
urang Jawa Barat wungkul listrikna téh, tapi
wewengkon séjén di Pulo Jawa, malah parat
ka Bali.
“Tapi kondisi Citarum kiwari matak pri-
hatin. Naha? Heueuh, ku sabab salah urus.
Antukna remen ngadatangkeun mamala ka
balaréa, babakuna lebah polusi jeung datang-
na banjir dina keur usum ngijih,” pokna.
Dinaposisiwakilrayat,KangUuteuweléh
ngadongsok ka pamaréntah sangkan enya-
enya miara Walungan Citarum. Kumaha
carana sangkan ulah haben waé ngabalukar-
keun banjir, upamana ku cara dikeruk
kalawan maneuh. Lian ti éta, kumaha carana
nalingakeunsakurpabriksangkanteumiceun
limbahanungalantarankeunCitarumjadipo-
lusi.Pihak-pihaknungalantarankeunCitarum
ruksak kudu ditindak tegas saluyu jeung
hukum. Lamun terus diantep, karuksakan
lahan di Jawa Barat bakal leuwih parna.
“Nupentingmahkumahacaranasangkan
éta walungan tetep loba mangpaatna, batan
madorotna ka balaréa,” pokna deui.
Nguatan Kamandirian
Mun butuh supana, kudu dipiara
catangna.KituceukkaruhunSunda.Maksud-
na, mun urang butuh ku hasilna tina hiji
barang, urang wajib miara éta barang. Supa
kaluarna tina catang. Mun urang butuh ku
supa, taya deui jalanna sangkan catang anu
ngahasilkeun supa téh kudu dipiara. Mun
urang butuh ku hal-hal anu dihasilkeun ti
Tatar Sunda, nya tangtu waé Tatar Sundana
kudu dipiara. Mun Citarum hayang langgeng
méré mangpaat ka urang, taya deui jalan éta
walungan kudu enya-enya dipiara.
Poténsi anu nyampak di Tatar Sunda téh
kudu méré barokah ka sakumna warga. Éta
poténsi téh bakal jadi kakuatan anu
ngalantarankeun urang mampuh hirup
mandiri. “Urang Sunda téh kudu mandiri
sangkan boga jatidiri,” pokna tandes.
Miara poténsi Sunda téh kudu dumasar
kana ngajaga lembur, akur jeung dulur,
pancegnagalur.Urangwajibngajagalembur.
Ngajaga téh sarua jeung miara, sangkan tetep
mérémangpaatkabalaréa.“Sajabatingajaga,
urang kudu bari ngajega deui, malah teu
nanaon ngajago ogé ari puguh tatapakan
jeung kamampuh diri mah,” pokna.
Akur jeung dulur, éta mah jelas sangkan
urang ulah paséa, komo mun ukur marebut-
keun paisan kosong. Kudu sauyunan, kudu
paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Saterusna,
urang kudu panceg ‘na galur. Cindekna kudu
pengkuh tatapakan jeung pamiangan. Urang
téh apan urang Sunda, anu tangtu waé sagla
ketak jeung léngkah perjuangan téh demi Ki
Sunda.
Kang Uu anu tadina aktif ngelebetkeun
bandérapartéy,dinaPemilu2014ayeunamah
ganti lalakon hayang ngawakilan daérah,
nyaétadinawadahDewanPerwakilanDaerah
alias DPD-RI. Loba pihak jeung elemen
masarakat anu ménta jeung ngarojong Kang
Uu sangkan nempatan éta posisi. Kang Uu
ngawakilan Jawa barat di tingkat nasional.
Malahudagananatéhhenteungansaukurjadi
anggota, tapi jadi ketua éta lembaga. Ka-
mungkinan pikeun ngahontal éta posisi
saenyana nyampak, asal urang Sunda sauyu-
nan dina merjuangkeun kapentingan
daérahna.
Ceuk dina undang-undang, anggota DPD
ti saban provinsi téh sarua jumlahna, nyaéta
opatan.TangtuwaéanggotaDPDanumiang-
na ti provinsi anu loba cacah jiwana mah,
kawas Jawa Barat, bakal béda jeung anggota
DPDtiprovinsiliananupenduduknasaeutik.
Anggota DPD' anu ngawakilan Jawa Barat
bisa meunang sora jauh leuwih loba. Nya ku
sabab kitu gedé pisan kamungkinanana
pikeun nempatan posisi ketua. Poténsi sora
dina Pemilu ti Jawa Barat bakal milu nangtu-
keun jeung ngawamaan kapamingpinan
nasional, kaasup di DPD-RI.***
Kang Uu dina kagiatan anu patali jeung kapentingan balaréaKang Uu jeung para alim ulama
11. N
gungsi, di mana-mana remen
kajadian. Alatanana rupa-rupa,
lahan urug, gunung bitu, caah,
jeung sajabna. Nu ngungsi, teu bisa
majar kumaha, kapaksa kudu hirup di
tempat panyirurukan. Lian ti nu ngungsi
alatan bancang pakewuh alam, loba ogé
nu kapaksa kaburak lantaran perang.
Tah, nu kawas kitu mah, ngungsi gé di-
iring-iring ku karisi, diudag-udag kahari-
wang!
Nu remen jadi korban, mémang nu
‘hengker’ saperti barudak jeung kaum
ibu. Ieu golongan mah, tara bisa majar
kumaha, kapaksa kudu tumamprak kana
kaayaan.
Saha nu miduli mun barudak jeung
kaum ibu kudu ngungsi? “Pasualanan
kamanusaan mémang tos janten
panalingaan balaréa,” ceuk Dra. Hj. Ella
Girikomala, M.Pd., anggota DPD-RI
Propinsi Jawa Barat.
Masalah kamanusaan, mémang jadi
panalinga balaréa. Kituna téh, walatra di
mana-mana, kaasup jadi panalinga par-
lemén tingkat dunya. “Masalah-masalah
kamanusaan, teu weléh janten panalinga
parlemen internasional,” ceuk Hj. Ella
nu milu kana gempungan Sidang
Umum Inter-Parlementary Union (IPU)
di Swiss sawatara waktu ka tukang, ti
tanggal 15-21 Maret 2014.
Dina prakna gempungan, para
wawakil rahayat ti saban nagara téh,
medar rupa-rupa pasualan. Masing-
masing nepikeun pamanggihna boh nu
tumali jeung kaayaan di nagrina boh nu
kasaksén di nagri séjén. “Sadayana
pamilon gempungan kénging hak anu
sarua,” pokna.
Jadi anggota DPD, keur Hj. Ella mah
loba pangalaman. Bisa silihsimbeuh
pangaweruh jeung pangalaman. Atuh,
pasualan di hiji nagri, bisa jadi conto
keur nagara séjén, kaasup nu tumali
jeung cara ngungkulanana.
Jeneng jadi anggota Dewan, ceuk ieu
ketua muslimat NU Jabar ogé, kudu
boga kamampuhan nepikeun gagasan nu
tumali jeung kapentingan kamanusaan.
Da enas-enasna mah, jadi wawakil raha-
yat di hiji daérah téh, ogé ‘wawakil’ jeng-
lengan rahayatna. Masing-masing
anggota parlemen, jadi gambaran ma-
sing-masing nagarana. Ku lantaran kitu,
di éta gempungan mah, bon nagara gedé
boh nagara leutik, tetep diajénan sarua.
Ngalanglang Lembur
Upama Hj. Ella lampar saba nagara,
pamianganana mah, éstu ti palemburan.
Jadi wawakil rahayat daérah Jawa Barat,
miang tina organisasi kaagamaan.
“Sanés nyalonkeun sim kuring mah, tapi
Manglé 247010
IImplik-implik
Hj. Ella Girikomala;
Di Swiss, Tibelat ka Tatar Sunda
Miang ka jauhna geusan
tukeur pangalaman. Kitu nu
kaalaman ku Dra. Hj. Ella
Girikomala, M.Pd., anggota
Dewan Perwakilan Daerah
(DPD) RI asal Jawa Barat.
Ngan, naon waé mangpaatna
keur urang lembur tatar
Sunda? ***
12. 11Manglé 2470
dicalonkeun ku organsiasi, Muslimat
Nahdhatul Ulama,” pokna nyoréang
mangsa ka tukang.
Ngan, cenah, ku lantaran biasa iciki-
bung dina dunya organisasi, jadi anggota
Dewan Perwakilan Daerah gé teu
ngawagu. Ahirna, Hj. Ella téh kapilih jadi
anggota DPD-RI dina mangsa bakti
2009-2014.
Dina pilihan umum ayeuna, ieu aktivis
wanoja urang Bandung téh, meunang
deui kapercayaan ti kaumna. Kudu deui
jadi calon anggota DPD-RI. Atuh, ka-
ngaranan diamanatan, Hj. Ella téh teu
bisa nolak. Antukna, ilubiung deui jadi
calon anggota DPD-RI keur mangsa
bakti 2014-2019.
Jadi wawakil rahayat, keur Hj. Ella,
jadi loba baraya. Da, kudu remen
ngalanglang lembur, saba desa nepun-
gan masarakat di saban tempat. Ngan,
da teureuh pasantrén, datangna ka
palemburan mah, mimindengan ka
pasantrén téa.
Ancrub jadi wawakil rahayat, kudu
logor di panto. Kitu deui ieu Ketua KPPI
(Kaukus Perempuan Politik Indonesia),
Jawa Barat, najan pamianganana pasan-
trén, bisa blas-blus ka rupa-rupa masa-
rakat. Atuh, najan dirojong ku Muslimat
NU saterusna mah keur karaharjaan
balaréa. “Kaum ibu téh nu pangapalna
kana urusan rumah tangga,” pokna.
Atuh, upaya ningkatkeun kamandirian
jeung kamampuan kaum ibu, enas-
enasna mah, keur karaharjaan balaréa.
Dina ngupayakeun karaharjaan masa-
rakat, ieu teureuh pasantrén téh, remen
kudu moék-meuting di palemburan.
Malum, Jawa Barat téh lega naker.
Rupa-rupa pasualan nu misti
diungkulanana, pangpangna mah nu tu-
mali jeung karaharjaan. ***
(Rudi/Ensa)
Hj. Ella Girikomala; nepikeun gagasan pentingna ‘perlindungan anak’ unggal nagara
Hj. Ella Girikomala delegasi ti Indonesia, pada ngajénan ku nagara-nagara deungeun
13. Manglé 247012
NNyusur Galur
M
inggu pengker dicaritakeun ngeunaan Win-
kler manggihan runggukan tujuh tangkal
caringin. Teu jauh ti paseban heubeul.
Urut solokan di Gang Amil ieu téh perenahna
wétaneun situs batutulis tungtung Gang Amil,
kapotong ku jalan Lawang Gintung. Ngembatna
solokan manjang ti tukangeun setatsion karéta api
Batutulis téori ka wewengkon Balé Kambang. Éta
solokan baheulana nyambung jeung solokan luar
nu ayeuna dipaké jalan karéta api. Pengkolan
solokan digemur basa
Éta solokan téh kaasup panggedéna di antara
solokan-solokan séjénna. Ayeuna mah geus pinuh
ku padumukan panduduk taya tapak-tapakna acan.
Di beulah wétan aya mata aér Cikahuripan nu ba-
heula ngocor liwat selokan Cihaliwung. Tepi ka
kiwari ieu mata aér masih dikaramatkeun.
Laporan-laporan VOC ti abad ka 17 salawasna
nyebutkeun sabudeureun Batutulis téh loba solokan
nu disebut “ grachiten” kuilen”, “ parigi”, atawa
“Selokan”. Pangwagunan éta solokan-solokan
dicaritakeun ogé dina prasasti Batutulis jeung dina
Naskah Sunda kuno koropak 632 nu
dikumpulkeun ku Bandes ti Kabuyutan Ciburuy
Bayongbong Garut.
Laporan-Laporan
Ngeunaan Situs Batutulis
1. Laporan Scipio
Sabada aya perjangjian VOC jeung Banten
(1684) nu di antarana ngamuat katangtuan ngeuna-
an Cisadane (walungan Tangerang) nu ngawatesan
kakuasaan masing-masing, Walanda mimiti
metakeun tarekah naliti daérah hulu walungan
Cisadane. Taun 1687 dilaksanakeun ku jalan
ngirimkeun ekspedisi nu dipingpin ku Scipio. Ser-
san Scipio téh anu manggihan situs batutulis nu
munggaran. Ti kalangan panaliti urang Eropa. Sci-
pio ngalaporkeun:
Tajamahanna;
Senén 1 september,
“Rebun-rébun kuring sabatur-batur geus
ngabring di jalan ka bénténg Pajajaan. Perenahna
antara Ciliwung jeung Cisadané, sababaraha poé
lalampahan ti kampung Parung angsana sajauh
tembakan péstol ti Ciliwung. Mimitina ngaliwatan
jalan diantara dua tanggul tepi ka 4 kaki. Cunduk
di jalan asup atawa gerbang, di dinya loba batu-
batu anu nyusun luhurna 6 kaki. Didinya aya
kénéh batu-batu anu nyusun saperti kitu ilaharna
sadeupa dina dua sisi anu nangtung teratur, gam-
pang kanyahoan yén éta hasil pagawéan manusa.
8 léngkah ti dinya aya deui témbok, di antarana
aya batu ngajajar, maju saléngkah dua léngkah
deui cunduk di hiji tempat pasagi panjang legana
sarua jeung bangsal karajaan. Di sisina aya
sababaraha batu anu hiji mah jangkungna 4 kaki
nu hiji deui mah 2 kaki , nu leutik nangtung rada
déngdék ieu téh tilas singgasana Raja Pajajaran.
Urut iteuk dijieun tina batu walungan anu
gedéna teu sarua, jeung tina taneh anu
diteundeunna ngajajar. Sabudeureun éta kabéh
aya leuweung jeung kebon bubuahan, mangrupa
ruruntuhan , tapi kacida dihormatna ku masarakat,
sabab sok katingal naranjak ka pasir dariuk
sidakep dina tempat pasagi panjang, lengkahna
diatur tandaning hormat kanu dianggapna kara-
mat. Heug nyeungeut menyan, kebulna mumbul
ka manggung, bari ngadunga mapatkeun pujian-
pujian nu eusina puja puji kanu diparuja ku
maranéha, panedana kanu di manggung sangkan
bisa mulang salamet ka Parung Angsana.”
Sanajan Scipio henteu ngawincik tujuan lalam-
pahanana, jeung lukisan anu dilaporkeunna geus
bisa ditétélakeun yén éta téh situs Batutulis ti béh
kalér. Pager batu anu disebutkeun jangkungna
sadeupa, Dina awal taun 1960 an masih kapangih
sésa-sésana sababaraha belas méter kiduleun batu
congrang.
Ékspédisi Scipio
Naliti Hulu Walungan Cisadané
14. 13Manglé 2470
Tina lukisanna jelas yén pikeun asup ka situs
ti kalér baheula mah kudu ngaliwat ka dua lapis
gerbang.
Nu dina tulisanna ku Scipio disebut “Orang
Jawa” anu cenah kacida mujana ka nu dikara-
matkeun, saenyana urang Sunda ti Parung Angsa
na anu nganter Scipio jeung rombongan ka tem-
pat-tempat anu ditujuna. Urang Parung angsana téh
anak buah Letnan Tanujiwa anu ngadegkeun
Parung Angsana. Létnan Tanujiwa téh urang
Sumedang aslina mah.
Scipio sacara tandes ngahubungkeun Parung
Angsana jeung Pajajaran Tangtu asal infromasina
tinu nganganteur ekspedisina, nya urang Parung
Angsana ieu. Padumuk Parung Angsana ( 1687 )
geus parahameun kana kasang tukang Batutulis.
Scipio henteu nyebut-nyebut ayana prasasti
sabab henteu diidinan ku anak buahna pikeun asup
ka jero tempat ayana situs, lantaran Scipio agama-
na kristen.
2. Laporan Winkler
Laporan kadua ngaberitakeun situs Batutulis, ti
Kapten Adolf Winkler anu datang ka Batutulis 14
Juni 1690. Inti laporan nurutkun Winkler kieu;
1) Winkler ngalaporkeun ngeunaan ayana batu anu
aya tulisanana dalapan satengah baris.
2) Ngalaporkeun ayana “lingga batu” anu ngajegir
gigieun prasasti.
3) Ngalaporkeun ngeunaan ayana situs Purwakalih.
4) Ngalapokeun ayana jaman batu anu kacida
bérésna ngahubungkeun ka pasaban heubeul
tinggal jaman baheula.
5) Di lokasi urut karaton, Winkler manggihan
runggunukna tangkal caringin tujuh.
6) Ngalaporkeun ayana menhir badag pasagi lima
di Gang Amil.
Saterusna dilaporkeun ka Winkler;
Ditanyakeun leuwih jauh, ngeunaan saha jeung
kumaha sarta keur naon hiji raja nu ngadegkeun
éta karaton migawéna, diwartakeun ogé yén éta
raja téh Prabu Siliwangi.
Winkler ogé dianterna ku urang Parung
Angsana. Sapoé saméméh Winkler geus nitahan
Sura Winata jeung Suta Diana urang Kedung Ha-
lang nengetan kaayaan Pakuan bari muka jalan.
Winkler geus nyahoeun ngaran Pakuan ti urang
dinya, nyaho ka jenengan Prabu Siliwangi ogé ti
urang lembur dinya.
Urang Kedung Halang jeung Parung Angsana
bagian ti pasukan pagawé (werktroep ) VOC nu
dipingpin ku Letnan Tanujiwa téa, pancenna muka
daérah jero Batavia nu engkéna dijadikeun pamuki-
man jeung keur tatanén. Mangsa harita tacan aya
naskah babad nu ditulis jeung nyebar di masarakat.
Tapi manéhna geus nyarahoeun kana hubungan an-
tara situs Batutulis jeung Karajaan Pajajaan katut
Pabu Siliwangi. Maranéhna lain urang Bogor tapi
anu daratang ti Priangan jeung Banten. ***
(HRS/Hanca)
Saperti anu diungkabkeun ku Saleh Danasasmita
dina buku “Menelusuri Situs Prasasti Batutulis”
15. Manglé 247014
MMunara Cahaya
J
alma hirup di alam dunya, pasti
hayang boga cita-cita sangkan
loba hartana jeung luhur harkat
darajatnana. Kayaning hayang boga
jabatan, hayang luhur pangkat,
luhung élmu jeung sajabana. Dina
Islam mémang harta kaasup wasilah
al-hayat. Dilungsurkeun sarupaning
kani’matan ayana harta. Bumi langit
jeung saeusina sadayana harta. Ka
manusa minangka khalifah, diper-
cayakeun sangkan urang kudu mam-
puh ngurus harta. Malah dina élmu
al-maqosidusyari’ah, aya nu disebut
hifdul mal, nu hartosna ngajaga
harta. Hartina harta kudu dipupu-
juhkeun kalawan bener nempat-
keunana. Sabalikna harta lain keur
dipuja-puja, tapi harta éstuning
bekel ibadah keur jalan ka ahérat.
Sakumaha dina surat Al-Hadid ayat
70, Alloh Swt masihan pituduh:
Nu hartosna kirang langkung
kieu: Geura ariman ka Alloh jeung
ka Rosul-Na, jeung geura der-
makeun sabagian tina saniskara
anu Anjeunna ngajadikeun mara-
néh nu mibandana; nya jalma-
jalma anu ariman ti antara
maranéh turta ngadermakeunana
mah, pikeun maranéh ganjaran anu
gedé.
Tétéla sakumaha dawuhan di
luhur, yén harta téh mutlak tur
hakékatna mah milik Alloh lain milik
manusa. Margi kitu harta nu dititip-
keun ka manusa mung saukur titipan
sangkan digunakeun keur kamang-
paatan nu luyu jeung papagon
agama.
Ébréh pisan harta dina Islam
mah mung saukur titipan. Ku kituna
pantes kacida pami Kangjeng Rosul
pernah ngémutan ka urang, yén hiji
jalma dina alam baka, di alam yaomil
ahir bakal ditanya opat perkara. Nu
kahiji ngeunaan umur dieusian keur
naon. Kadua, jasmani atawa awak di-
gunakeunana keur naon. Katilu meu-
nangkeun harta carana kumaha
jeung dipaké keur naon baé. Kaopat
masalah élmu, dipakéna keur naon.
Harta téh milik Alloh nu diser-
ahkeun ka manusa. Disebut milik
Alloh, lantaran memang teu aya hiji
jalma nu mampuh ngayakeun hiji
benda nu asalna teu aya. Ku kituna,
harta ogé bisa disebut hiasan nu
ngajadikeun manusa sangkan bisa
sukuran ka Alloh. Ku ayana harta,
manusa bakal betah ibadah ogé getol
nyiar kipayah. Ngan, harta nu jadi
titipan, sakumaha pidawuh Gusti,
peupeujeuh ulah kaleuleuwihi. Lan-
taran lamun kaleuleuwihi, manusa
bakal jadi riya, takabur adigung asa
aing pangbeungharna, pangbogana,
ogé pangkawasana.
Palebah dieu pisan, kalolo-
baanana jalma nu tibelejog ku harta
nepi ka asup golongan hubuddunya.
Dina harti, harta henteu matak ngan-
delan ibadah, tapi sabalikna hartana
jadi pangjurung hawa nafsuna,
malah milu jeung balad syetan keur
ngagoda jalma.
Ku kituna, manusa kana harta
ahirna jadi pangbibita. Tangtu pang-
bibita palebah dieu ogé bakal gu-
mantung ka jalmana. Lamun aya
jalma nu luhur kuta gedé dunya cek
agulna mah, mémang geus kitu nga-
jadikeun harta minangka gogoda.
Kitu deui, jalma gagah tur beunghar
taya kakurang, lantaran manusa teu
leupas tina harta.
Ieu sunatullah manusa jeung har-
tana. Mung nu jadi patarosan, naha
atuh jalma nu loba hartana, nu
luhung pangkatna, tapi hartana teu
mawa mangpaat keur anjeunna? Tah
ieu patarosan nu babari dijawabna
tapi hésé matéahkeunana. Ngan nu
sidik, lantaran kalolobaan manusa,
dina seuhseuhanana loba nu kabita
alias hulu dugul dihihidan. Ku pasi-
patan jalma resep hubuddunya,
nempo harta mung saukur keur di-
rina, balukarna harta bisa ngalan-
tarankeun mawa mamala.
Saperti di nagri urang, apanan
kasebutna nagara ma’mur, nagara
subur. Teu hésé pepelak, teu hésé
ngebon, teu hésé dagang. Tapi buk-
tina mah kumaha?, bangsa urang
bangsa nu tigejebur, bangsa nu
ancur, bangsa nu masakat. Sabab
buktina mah, jalma geus teu paduli
kana hakikat harta. Nu senang tam-
bang senang, nu keur untung tambah
untung. Nu ngampar ngampar nu
seubeuh-seubeuh. Nu lapar beuki
lapar nu seubeuh beuki seubeuh.
Alloh Swt. ngadawuh dina surat At-
Takaatsur, yén jalma nu boga sipat
hubbuddunya bakal asup ka naraka
jahim. Latarowunal jahiim.
Alloh nurunkeun kani’matan
mangrupa harta, geus diatur sangkan
ku harta bisa nungtun kana jalan nu
bener. Kumaha carana? Nyaéta aa-
manu wa amilushsholihat, koncina
kudu didadasaran ku kaimanan
jeung kasoléhan. Sabab Kangjeng
Rosul ogé kantos ngadawuh : Ni’mal
maalu shaalihu lil mar’i sholihi. Sa-
hadé-hadéna harta nyaéta harta nu
aya dijalmi-jalmi soléh. (HR.
Harta Saukur Titipan
Dijaga ku Kasoléhan
Ku Arif Nur Hakim
16. 15Manglé 2470
Ahmad).
Kumaha carana jalmi iman
sareng soléh boga hak mingpin jeung
kawasa kana harta? hirup di dunya
aya nu namina manhaj al-hayat, aya
aturan hirup. Sedengkeun nu apal
kana aturan hirup nu hakikiyah,
nyaéta jalma nu iman jeung nu soléh.
Jalma nu iman jeung nu soléh
dina urusan dunya, hirupna saperti
nu moal manggih tungtung. Hartina
salawasna bakal bageur, bakal hadé
laku lampah. Tapi dina urusan
ahérat, saperti nu rék maot harita.
Hartina sieun, bisi harta teu mawa
jalan kana kamaslahatan, teu mawa
jalan ka sawarga. I’mal lidunyaka ka
annaka ta’isyu abadan, wa’mal li
akhiratika ka annaka tamutu ghadan.
Ku kituna, disatengahing urang
nyakséni sikep-sikep para koruptor
balukar harta, urang ogé kedah in-
tropéksi ka urang séwang-séwangan.
Nagara ancur balukar kasarakahan
manusa dina ngawasa harta. Diri
pribadi urang ogé bakal ancur lamun
harta urang teu mawa kana kamang-
paatan.
Nu kumaha nu teu mawa mang-
paat?
Nu kahiji, ngokolakeun harta po-
ho ka Gusti nu ngawasa harta. Dina
istilah Islam disebutna takabur
atawa kufur ni’mat. Jalmi nu sala-
wasna hurung nangtung siang
leumpang, dina balas ginding karana
maké papakéan atawa perhiasan anu
aralus, bakal moal mangpaat lamun
papakéanana meunang nyolong. Bisa
ginding ka kantor maké jas, dasi,
atawa mobil alus, bakal moal mang-
paat lamun hartana ladang korupsi.
Ieu nu namina kufur ni’mat. Geus
dibéré ku Alloh harta tapi teu mam-
puh mingpin hartana.
Nu kadua, nyaéta ngokolakeun
harta tapi lolong ka Alloh. Sagala
cara ditarékahan, sangkan boga
harta. Tapi carana patojaiyah jeung
papagon Alloh. Milarian kurnia Alloh
tapi ngahina Alloh. Saperti ngin-
jeumkeun harta (artos) ka nu séjén,
tapi carana diréntenkeun sangkan
meunang untung nu leuwih gedé,
nepi ka mela-melu genep persén sa-
bulanna. Kitu deui, jalma munafik.
Hiji pamingpin teu mampuh ngada-
likeun sangkan pagawéna subur
ma’mur, ngarasa cukup, padahal di-
rina mampuh ngaluarkeun harta.
Jalmi nu kieu disebut jalmi munafik
sabab, dirina geus sarua jeung beu-
ngeut nyanghareup ati mungkir, hen-
teu terus terang jeung haténa.
Katilu, ngagugulung kabohongan.
Upama ngobrolkeun kajujuran
tangtu nu apal mah mung Alloh
jeung dirina. Moal aya hiji jalma nu
apal pisan kana kajujuran jalma
lianna. Nu mantak, manusa kudu
ngarasa untung dina palebah dieu
mah, kudu syukuran ka Gusti kana
panutupna Gusti tina haté-haté pa-
pada jalma. Gusti Alloh nu Maha
Goffar. Hartosna lian ti nu Maha
Ngahampura ogé Maha Nutupan.
Alloh Maha Nutupan. Ku kituna
haté-haté di papada jalma ditutupan
ku Gusti sangkan papada jalma ulah
apaleun. Da, teu kabayangkeun
lamun papada haté urang dibuka-
keun ku Gusti, rék kumaha jadina
hirup manusa di dunya. Tangtuna
bakal loba kariceuwan. Contona waé
jeung batur saimah, upami dibuka-
keun mah, meureunan unggal menit
bakal pabéntar. Teu kaop boga haté
goréng atawa ujug-ujug aya haté
resep jeung tatangga atawa boga
hutang ngageblug, bakal nimbulkeun
pabéntar nu mantak rohaka.
Margi kitu, kacida kufurna lamun
urang wani ngabohong kénéh. Teu
sadar kalemahan urang téh ditutup
ku Alloh, tapi naha atuh manusa téh
kudu sombong, kudu ngabohong!
Lain hirup jujur téh bakal loba kaun-
tungan? Dawuhan Kangjeng Rosul,
jalma jujur salawasna bakal meu-
nang kauntungan. Al-muslimuna
man salima muslimuna millisanihi
wayadihi, jalma nu disebut muslim,
nyaéta jalma nu salamet tina uca-
panana jeung tina leungeunna. Saur
pidawuh Alloh Swt. Kaburo maktan,
indallohi am takuluna maa laa
taf’alun. Kacida benduna Alloh ka
jalma nu papalingpang, nu pa-
gawéanana teu saluyu jeung omon-
ganana. Jalma nu beunghar, geulis,
ginding, luhur jabatanana, malahan
dipihormat pisan ku masarakatna,
tapi upama geus teu jujur, teu bener
omonganana, mangka jalma éta
bakal dijadikeun jalma nu panghi-
nana dipayuneun Alloh Swt. “Hak
(bebeneran) téh datangna ti
Pangéran arandika, nya sing saha nu
rék iman geura iman, jeung sing saha
nu rék kupur nya kupur”. Dawuhan
Alloh Swt. :
“Saéstuna Kami geus nyawis-
keun Naraka pikeun jalma-jalma nu
darolim, nu seuneuna ngéntab-
ngéntab ngurung maranéhna;
jeung upama maranéhna marénta
nginum, (maranéhna) bakal dibéré
nginum ku godogan beusi nu ngago-
lak nu matak beungeutna kabeu-
leum. Kacida goréngna éta inuman
téh sarta kacida goréngna éta pad-
umukan.” (QS Al-Kahfi [18]:29).
Ku kituna, mangga urang tiasa
muhasabah, ngeunteung diri pribadi
tina masalah harta. Urang tiasa
munggah haji, tiasa ngawangun
masjid, tangtu kudu dibarung lam-
pah nu hadé, nu halal dina meu-
nangna harta. Mudah-mudahan
urang sadayana kalebet jalmi-jalmi
nu salawasna tiasa syukuran. Laesa
gina ginal ardi walakin gina gina
nafsi. Teu disebut jalma beunghar
jalma nu loba hartana, tapi jalma nu
disebut beunghar mah jalma nu jem-
bar haténa. Mudah-mudahan urang
kagolongkeun jalma nu mampuh
matéahkeun harta keur bekel ibadah
jeung nyiar kipayah nu luyuh jeung
élmu syari’ah. Amin ya robbal
‘alamin. ***
17. G
AMBARAN yén urang Sunda
hésé ngahiji henteu weléh jadi
bukur catur saréréa. Bukur
catur papada urang Sunda. Teu anéh
upama orang sorangan miboga gam-
baran kitu ngeunaan diri urang sora-
ngan atuh batur gé jadi
narurutan.Sélér bangsa lian jadi
nganggap yén urang téh, urang Sunda
téh, hiji sélér bangsa anu jalmana
aing-aingan, hésé pisan ngahijina.
Gambaran saperti kitu cénah, nu
ngalantarankeun urang Sunda “kieu”
waé téh. Teu maju-maju. Tara pati di-
itung dina panglawungan tingkat
nasional. Ku lantaran, nya kitu téa,
réa nu nganggap urang Sunda mah
napsi-napsi, leumpangna marawa
karep sorangan. Teu satujuan, teu
sauyunan. Pangna ku batur dianggap
teu bisa ngahiji ku lantaran urang
mah henteu henteu ketembong
ngahiji lir wangunan “orkéstra”. Nu
remen nyarita perkara perluna
ngawangun Orkéstrasi Sunda téh Aat
Suratain, salah saurang budayawan
ngora. Dina orkéstra mah apan saban
“musisi” téh puguh cekelan pakakas
musikna.
Dina orkéstra mah apan puguh
dirigénna, nu mingpin orkésna, malar
puguh laguna, merenah sorana. Iwal
ti aya dirigén, dina orkéstra mah apan
aya partitur, patokan lagu nu jadi
pademon sugri nu ngamaénkeun alat
musik dina éta orkés. Tah éta dua hal
nu penting pikeun ngawangun
harmonisasi orkéstra téh di Sunda
mah euweuh. Dirigén weléh, partitur
lapur. Atuh kasadaran ngawangun
orkéstrasi nu harmonis gé teu di-
pibanda deuih. Antukna kawas ayeu-
na, ngawih sorangan-sorangan,
leumpang napsi-napsi, bari teu ieuh
maliré nu lian. Akibatna, nu nyong-
colang dina karakter Urang Sunda
mah nyaéta sipat aing-ainganana.
Euweuh dirigén dina orkéstrasi
Sunda téh bisa dihartikeun yén di
Sunda mah euweuh pamingpin. Apan
ari pamingpin téa jalma nu teu weléh
pada ngadéngé, jeung sugri laku-lam-
pahna teu weléh jadi tuladan. Tah
jalma nu modél kitu téh, nu didéngé
sakur omonganana, nu ditulad sugri
laku-lampahna, horéng can nyampak
di Sunda mah. Pangna kitu, ku lan-
taran perwatek aing-aingan téa. Ana
aya urang Sunda nu jeneng di pa-
maréntahan nasional, tara ieuh bisa
dipaké pamuntangan. Malah mun
kongang mah maranéhna téh narah
disebut urang sunda téh. Teu weléh
nyieun alesan mun rék kaanjangan ku
papada urang Sunda deui téh, alatan
sieun dipéntaan tulung ku batur
salembur. Béda pisan jeung nu lian.
Batur mah lain baé ngahiap-hiap ka
batur salemburna, tapi ogé nempat-
nempatkeun batur-batur salemburna
téa sangkan diuk dina kalungguhan
nu merenah.
Pangna Urang Sunda beunang
disebut teu ngabogaan sumanget
ngawangun orkéstrasi téh ku lantaran
papada urang sok silih réngkas. Pa-
pada urang sok ngabogaan rasa teu
rido mun ningali nu lian maju. Tuluy
wé sok pada naréangan kagoréngan-
ana, sangkan ragrag tina kulung-
guhanana. Geus ragrag mah terus wé
pada mupuas, pada ngaleyek, pada
ngadedetkeun.
Mungguh ari dina orkéstra apan
puguh lilinggeranana. Iraha kudu
nabeuh alat musikna. Puguh deuih nu
ngaturna, da aya dirigén téa, nu méré
tanda ka nu nyekel alat musik kudu
kumaha nabeuhna, naha halon atawa
tarik. Kabéh nurut ka dirigén, kabéh
tumut kana partitur. Hanjakal teu
kitu Urang Sunda mah. Urang Sunda
teu boga partitur. Dipapandékeun
kana kahirupan mah partitur téh
nyaéta”kahayang koléktif”, kahayang
nu jadi angen-angen saréréa. Angen-
angen saréréa téa nu kurang kudu di-
jinekkeun téh. Hayang naon atuh
Urang Sunda téh? Weléh can kabaca.
Tah mun geus jinek “kahayang kolék-
tif”-na, nu disebut “partitur” téa,
sakur “nu nabeuh”, sakur urang
Sunda, kudu tumut kana aturan kudu
iraha alat musik ditabeuhna, kudu
sakumaha tarikna cék dirigén. Ari nu
jadi dirigén nyaéta jalma nu dipercaya
jadi pamingpin Urang Sunda. Diper-
caya, lantaran katangén kanyaahna ka
urang Sunda, tur kaciri kasundaan-
ana.
Atuh saupama urang hésé néangan
saha pidigéneun nu baris mingpin
Orkéstrasi Sunda, nya saheulaanan
mah ulah mikiran “saha sacara indi-
vidu” tapi “saha sacara lembaga”. Tah
upama mikir tepi ka lebah dinya mah
asa teu kaleuleuwihi upama urang
nempatkeun Paguyuban Pasundan
pikeun mingpin Orkéstrasi Sunda téh.
Munggh Paguyuban Pasundan
organisasi kasundaan nu pangkuatna
kiwari téh. Iwal ti kuat téh Paguyuban
Pasundan mah gedé pisan perhatian-
ana kana atikan. Kapan atikan téh
mangrupa modal utama pikeun ihtiar
ngahontal udagan pikahareupeun.***
DI KIWARI MACA BIHARI
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Sunda Orkéstra
Manglé 247016
18.
19. Manglé 247018
CCaritaPondok
D
i luar
hujan
ngageb-
rét, ti
soré
kénéh.
Kuniang hudang terus
abdas. Menekung dina
sajadah urut tadi Magh-
rib. Imah dines nu lu-
mayan lega dieusian ku
kuring jeung si Bibi.
Sakapeung sok aya incu
si Bibi nu umur genep
taun, milu ngéndong,
ambéh haneuteun. Basa
kaluar ti kamar ka tengah
imah, rék lalajo tipi, ka-
déngé sora si bibi keur
ngaos Qur’an. Dina méja
makan némbrak pasakan,
lodéh honjé, sambel
jeung goréng lauk ka-
beuki. Sasarina mah tara
ngaengkékeun, mun geus
nempo deungeun sangu
kabeuki téh.
Gék diuk bari nyetrék-
keun remote tipi. Bibi
geus bérés ngajina, gura-
giru nyampeurkeun
mangnyicikeun cai panas
kana gelas paranti ku-
ring. Los ka rohangan
tamu, teu lila balik deui
bari ngasongkeun am-
plop rada gedé warna
bulao.
“Néng Nana, ieu aya
uleman ti putrana Pa RT,
badé ditikahkeun. Asa
lebar nya Néng, nembé
lulus sakola, can didamel,
tos badé ditikahkeun. Ah
dasar urang kampung Ci-
bungur,” ceuk si Bibi.
Kuring cicing bari
nyekel gelas nu dieusian
ku cai panas, keur ngom-
prés ramo nu kateukteuk
pondok teuing.
“Néng Nana, naha teu
tuang? Teu emam na-
naon?” ceuk si Bibi deui
basa nempo kuring cicing
waé. Teuing ku naon soré
ieu kuring asa nalangsa.
Komo tadi basa tas
Maghrib nampa telepon
ti Marni, sobat dalit nu
geus sabaraha taun teu
papanggih. Naon pica-
tureun isuk mun panggih
jeung Marni?
“Pokona isukan
urang panggih di Café
Camperenik waé, ambéh
babari ka dituna. Da éta
mah lokasina deukeut ka
mana-mana,” ceuk Marni
dina telepon.
Hapé digolérkeun
dina nachkaas di gigireun
tempat tidur.
Lamunan nyawang ka
tukang jaman keur kuliah
kénéh, jaman abring-
abringan, babarengan tu-
juhan. Kabéhanana
awéwé, daratang ti
pilemburan, Tasik-
malaya, Sukabumi,
Bogor, jeung Jogjakarta.
Unggal peré semés-
teran sok silih anjangan
ka lembur masing-ma-
sing, ka Jogjakarta nga-
bring tujuhan, ka Tasik
malaya ngabring ogé tu-
juhan. Resep aleut-aleu-
tan ka ditu-ka dieu.
Lembur saha baé sok di-
anjangan. Sok poho kana
diajar, poho kana nyieun
skripsi, méakeun waktu
peré. Mun rék saré nga-
robrol sabulang béntor,
lebah ngedalkeun eusi
haté jeung cita-cita tu-
juan hirup kakara ngo-
brol rada bener. Lawas
teu patepung, babaturan
nu sakitu dalitna, taya
hiji ogé nu kuring nyaho
nomer hapéna.
Kuring ayeuna digawé
di Purwakarta. Unggal
poé nyieun laporan fi-
nance, laporan itu-ieu, da
pausahaan gedé nu dipi-
boga ku bangsa de-
ungeun. Ayeuna mah
kuring téh teu pati idealis
cara jaman kuliah ba-
heula. Ayeuna mah nu
penting bisa digawé boga
duit keur hirup bekel so-
rangan. Ménta ka kolot
da geus éra. Ménta ka
lanceuk geus rimbitan.
Ménta ka adi, pamohalan
da keur kuliah kénéh.
Karier kuring bisa
disebut maju. Kasebutna
Kepala di kantor. Cicing
di imah dines. Aya si bibi
nu purah mantuan mer-
sihan imah, aya supir
kantor purah nganteur
digawé.
Purwakarta kota leu-
tik. Ka mana-mana ogé
deukeut. Nya ari keur
bosen mah di imah dines
jeung aya peré tanggal
beureum, kuring sok
balik ka imah kolot di
Bandung. Panggih jeung
ema, bapa, lanceuk, katut
adi. Alhamdulillah leng-
kep kénéh, aki gé aya
kénéh.
Peuting beuki tiiseun.
Sora jam ukur kadéngé
beuki cékas. Adan Isya di
masjid tukangeun imah,
hawar hawar kadéngé ti
kajauhan. Rét ka si bibi
nu keur ngadongéngkeun
anak Pa RT nu rék dira-
palan. Kuring éléh déét,
milu mairan dongéngna.
Bérés mairan si bibi, laju
dahar ngan saeutik. Nga-
hargaan ka nu geus hésé
capé mangmasakkeun
Ka Saha Geusan Balaka
Ku Ida Haka
20. 19Manglé 2470
unggal poé.
Hudang kabeurangan,
da si bibi henteu tégaeun
ngahudangkeun kuring.
Réngsé bébérés, teu
kungsi lila kadéngé sora
mobil nu ngajemput asup
ka garasi. Terus waé
pamit ka si bibi.
Nyanghareupan rapat
rutin unggal tengah
minggu jeung
narima tamu
geus bérés,
nempo ar-
loji geus
jam
dua
welas
leuwih
dua
puluh
menit. Geus
wayahna istira-
hat. Kuring bébéja
ka sekretaris rék ka luar
kantor sakeudeng. Supir,
Mang Darma geus siap
rék nganteur kuring ka
Café Camperenik.
Di Café Caperenik
milih korsi rada ka jero,
di pangsisina, nyang-
hareup jalan méh babari
nempo unggal jalma nu
arasup ka Café Campe-
renik. Tamu kahiji,
kadua, katilu, kaopat,
lain kénéh Marni.
Kuring geus dibéjaan
ku manéhna rék datang
maké baju beureum
calana panjang hideung
siga siki saga, cenah mah.
Itungan tamu ka dalapan,
karék aya
jalma
asup maké baju
siga nu disebutkeun ku
Marni kamari soré.
Kuring ngagupayan,
manéhna nyampeurkeun.
Bener wéh éta Marni, nu
lawas ti lawas teu pa-
panggih. Kuring ngaga-
brug, silih rangkul,
cipika-cipiki, jadi tongto-
nan tamu nu lian. Ciri nu
napel kénéh yén éta
Marni, aya kempot dina
pipina.
Marni asa angger waé,
jangkung leutik, kulit
sedeng. Bédana, ayeuna
geus maké jil-
bab,
nutu-
pan buukna nu
semu galing. Manéhna
ngadongéng, geus boga
budak hiji, umur dua
taun. Salakina digawé di
Purwakarta ogé, pagawé
kantor pajak. Saméméh
ka Purwakarta Marni
nelepon heula ka imah
kolot kuring, nepi ka me-
unang nomor hapé.
Marni bébéja saang-
geusna kuliah meunang
hésé capé diajar, kalahka
ka balé nyungcung, laki
rabi jeung batur salem-
burna. Terus milu jeung
salakina ka Lampung. Di
Lampung meunang opat
taun, terus dipindahkeun
ka Purwakarta.
Marni nyari-
takeun ogé
kaayaan ba-
baturan
sobat
dalit
nu
lianna.
Kabéh
genepan
masih kénéh
sok nyaram-
bung, ku hapé, ku
sms, ku bbm, malahan
mah aya nu ku facebook-
an.
“Ngan Nana wungkul
nu pleng les. Sakitu
lilana, naha teu sono kitu
ka urang genepan?”
“Ihhh lain kitu Marni,
hapé kuring jaman ba-
heula leungit. Nomerna
kabawa leungit kabéh,
buku alumni leungit,
basa tas dicongkél di
21. Manglé 247020
parkiran mobil. Jadi,
kuring ogé leungiteun ba-
baturan kabéh sobat
dalit. Kuring ogé asa
pareumeun obor, euweuh
batur patanya.
Jadi ayeuna geus
lengkep deui, geus tu-
juhan deui,” témbal téh.
Kuring ngadongéng ti
mimiti wawuh ka salaki
nu ngan sakolépatan téa,
terus kawin. Manéhna
terus sakola, balikna
saminggu sakali. Lila-lila
kuring bosen jeung teu
sabar, matak kuring so-
rangan nu merekede-
weng maksakeun manéh
hayang pepegatan waé.
Harita kolot jeung mi-
toha rareuwaseun pisan.
Asa dibéntar gelap cenah,
asa dipokpokan naon
boa. Kuring angger
heuras, hésé dipeperna.
Kuring ngadatangan
Kantor Pengadilan
Agama, nyieun surat tun-
tutan geus teu cocog,
geus teu saimah, padahal
kuring ogé masih cicing
di imah kolot sorangan.
Harita henteu kacipta
bakal nguciwakeun
saréréa. Aya gurung-
gusuh rasa amarah ka
manéhna, nu wekel kana
cita-cita duméh hayang
ngaréngsékeun sakolana
heula. Indung bapa kur-
ing geus saateun cisoca
nyingkahan kuring pepe-
gatan. Taya nu didéngé
hiji gé. Kitu deui indung
bapa, mitoha kuring,
aranjeuna daratang ka
imah kolot. Nganaha-
naha ka indung bapa ku-
ring, ieu téh aya naon?
Nepi ka luluasan hayang
pepegatan. Kuring tetep
teu miroséa.
Sidang di pengadilan
agama ku kuring disang-
hareupan sorangan, in-
dung bapa jeung mitoha
duanana, taya nu datang.
Saksi kuring teu di-
hadirkeun, ti pihak salaki
ogé henteu aya saksi.
Salaki datang ka pengadi-
lan agama ngan dua kali.
Sakali, basa mariksakeun
kelengkepan adminis-
trasi. Kadua kali, manéh-
na beurateun kénéh,
masih mikanyaah, mang-
hanjakalkeun. Mun bisa
mah, gugatan talaq di-
cabut baé.
Prosés sidang sina
kumpul deui, riung
mungpulung deui. Ku
kuring teu dipaliré. Ung-
gal balik ti pengadilan,
kuring ulin ngabang-
brangkeun manéh. Balik
ka imah peuting, nempo
indung jeung bapa tara
ditanya ngabududus waé.
Papakéan salaki nu
aya dina lomari dialung-
alungkeun, dikaluarkeun,
dibalangkeun ka luar
kamar. Dipérénan ku si
Mbak nu geus lila ku-
mawula ka indung ku-
ring.
Si Mbak sok katempo
siga nu rambisak, mang-
hanjakalkeun nempo
polah kuring. Manéhna
ogé osok mapagahan ku-
ring. Rumah tangga mah
hésé, teu aya nu babari.
Urangna kudu sabar,
ihlas, muntang ka Gusti
Alloh. Ari keur dipapata-
han kitu, kuring kalah ra-
jeun nyentak ka manéh
na, “Nanaonan pipi-
lueun? Lain urusan
manéh! Paling ogé dititah
ku indung aing.”
Hasil akhir sidang di
Pengadilan Agama dipu-
tuseun ku talaq hiji.
Harita kuring atoh pisan,
asa meunang undian
naon. Kolot mah ka-
tempo aralum. Kuring
ogé ngadéngé béja ti si
Mbak, mitoha lalaki
keuna setruk. Mitoha
awéwé katerap kasakit
gula.
Nepi ka ayeuna kolot
kuring masih silih anjan-
gan jeng mitoha. Salaki
masih kénéh sakola
neruskeun spesialisasina.
Ceuk indung kuring,
bésan jeung minantu eu-
weuh urutna da jelema
mah lain barang nu sok
kasebut barang urut.
Sakabéh jelema mah
ciptaan Alloh SWT nu
pangmulya-mulyana.
“Hidep anaking, geura
nganjang ka ditu ka imah
bapa ibu mitoha. Longo-
kan ka ditu, urangna
kudu ménta dihampura,”
saur Ema.
Nepi ka ayeuna kuring
mugen, embung. Sanajan
dina jero haté nu pang-
jerona, sakapeung sok
hayang ka ditu. Inget, da
balageur kabéh ogé.
Nyaraaheun ka kuring
téh. Kuring éra ku salaki,
ku mitoha, ku indung
bapa, ku lanceuk, ku adi,
ku dulur nu séjén, ku
tatangga. Kuring geus
balaka ka Marni, ngabu-
dalkeun karerepet haté.
“Éra ku talajak soran-
gan nu pondok pikir,
Mar,” ceuk kuring.
Marni cicing, nga-
betem. Ngarénghap
lalaunan. Kuring nga-
dongéng kieu ayeuna lan-
taran ngarasa éra ku
talajak sorangan, ngage-
dékeun amarah nu teu
jelas mimitina.
“Nepi ka ayeuna geus
aya tilu taunna kuring
nyorangan, da laki rabi
mah ngan ukur sataun,”
ceuk kuring ka Marni.
Marni teu nyarita
sakecap-kecap acan, ci-
cing waé, ngadéngékeun
kuring nyarita.
Asa manggih geusan
balaka panggih jeung
Marni téh, ku nalangsa
jeung bingung nyang-
hareupan pikahareup-
eun.***
Panglawungan 13
“Néng Nana, naha teu tuang? Teu emam
nanaon?” ceuk si Bibi deui basa nempo ku-
ring cicing waé. Teuing ku naon soré ieu ku-
ring asa nalangsa. Komo tadi basa tas
Maghrib nampa telepon ti Marni, sobat dalit
nu geus sabaraha taun teu papanggih. Naon
picatureun isuk mun panggih jeung Marni?
22. 21Manglé 2470
A
ngin soré
suar-séor,
ngotélan da-
puran gom-
bong. Langit
reueuk di-
pasieup geleger gelap lapat-
lapat. Uncuing manting ti
jauhna mirig kosrékna
léngkah mapay tanjakan
jalan satapak. Ngahaja cun-
duk ka ieu wengkon ning-
gang dina lain mangsa
ambéh nyalsé tur karasa
khusuna dudunga. Rekét
panto bébékan awi ngahu-
dang kukurayeun tapi keur
kuring teu béda ti wirahma
kakangen nu gugupay saban
waktu.
“Assalamu’alaikum, abdi
nu tambélar jolédar seja
deudeuheus maturkeun du’a
kasantosaan,” teu kebat brek
deku. Kurutug cipanon
mengkek tikoro tepi ka teu
wasa ngalemék.
“Bah,” ceuk haté ,” sa-
daya-daya nyanggakeun
beuheung teukteukeun,
mung sadu’a-du’ana anu
yasa kasanggakeun kitu gé
manawi bahan katampi.”
Bérés ngagaéng ngararab
bab tasrif, Pangersa Abah
paparéntah sangkan ucul-
ucul salin ku kaos, handa-
panana komprang hideung
sakumaha biasa. Di buruan
geus ngajalajar babaturan
aya kana likurna, gentak ba-
batek laju ngaberetek,
“Angger énté mah ari
geus kaporotan téh,” Sobar
nyiku basa kuring seselen-
dep, ukur nyengir minangka
jawabanana. Pangersa Abah
di hareup, metakeun jurus
alip-alipan, diturutan ku
kuring sabatur-batur. Nu
nambah sumanget teh mo-
jang kumeuheur pangais
bungsu Pangersa Abah, Nyi-
mas Utari sok ulal-elol tina
panto balandongan kaka-
peungan ngageneyen ka
hareupeun saréréa bari nga-
jingjing téko, sok dina golo-
dog tepas. Gepluk tasbé
murag kageuweungkeun,
sakalian andiprek laju
nyeuseup nyecepna angin
gunung digulung jeroeun ja-
jantung diburakeun ngali-
watan baham, gorolang uluk
salam. Dalapan belas cakra
utama ukur wasa diwang-
wang dibuleudkeun dina
puteran pancadria. Lep
narik napas mapatkeun
tanaga kundalini ku cara
mepet palawangan qubul-
dubul (palawangan hareup-
tukang badan beulah
handap).
“Bah, jisim abdi neda
widi badé nohonan pa-
ngangkirna nu gaduh kari-
aan di Pasir Tonggoh,”
kuring sasadu sabubarna
wiridan magrib.
“Aéh heueuh, Abah gé
nampa ondangan ti ditu,
pupuhu paguron Gagak Ri-
mang ngipat-ngipatan Abah
kudu datang, seug atuh
sakalian wé wakilan ku
hidep da Abah mah moal
bisa nohonan datang,” diki-
tukeun asa mobok manggih
gorowong, “Ajak wéh Punta,
Purwa reujeung Sadibya.”
Gura-giru nyampeur ba-
baturan nu bieu dipapado-
nan ka kobongna. Basa
nurugtug ka landeuh gok
reujeung abringan para mo-
jang nu dipupuhuan ku Nyi-
mas Utari cenah tas nyam
bungan ti nu hajat walima-
han di Bantar Kasumba.
“Badé ka Paguron Gagak
Rimang, ngaluuhan pango-
gan pupuhuna ngawakilan
Tuang Rama,” témbal téh
basa Nyimas Utari tetelepék.
Horéng paduduaan boh
pangiring Nyimas Utari boh
babaturan pating belecet ka
tonggoh jeung ka landeuh,
“Ditungguan di sasak
saung Gunung Tilu euy!”
gorowok Sadibya.
“Aka, sing atos-atos,
hariwang Imas mah cacam-
puran kantenan urusan
sareng urang Pasir tonggoh
téh!” ceuk Nyimas Utari
daria, cindungna gegele-
beran diropéa hiliwir puhu
peuting.
“Ingsya Alloh, kamelang
Nyimas bakal diestokeun ku
Kaka! Nam geura mulih
bilih Tuang Ambu deudeu-
peun jabaning wanci nyedek
ka wengi pan!”
“Muhun atuh Ka, omat
sing waspaos wé nya!”
Saléosna Nyimas Utari,
bet teu puguh rarasaan, tagi-
wur nyambaraan ratug ja-
jantung. Lelembutan
kabawa langhéor Nyi Mo-
jang padépokan tapi ogé
kacida inggisna sabab ku itu
ku ieu pada marebutkeun.
Léngkah digancangkeun
taksiran babaturan geus
élékésékéng di Gunung Tilu,
siet sada logam ipis ngalem-
pag ti gigir, jelas nojo pisan
kana beuheung. Hiji-hijina
cara iwal ti ngareundeuk
dépok da lamun dilérét
tangtu baris kabeunangan
mantén. Samangsa logam
ipis nyamos katangén dua
jirim ngajuringkang nyam-
peuk, sacara réplék awak
meta usik buaya ngangsar,
tina dépok suku katuhu ngu-
lawit saparo puteran maren-
gan leungeun anu ngaga
lasar sahibas buaya depa.
Tétéla duaan anu narajang
téh rancingeus, ngadon
racleng ngalégot ka kén-
caeun jeung ka katuhueun.
Bareng jeung éta, gerewek ti
tukang aya nu nongtak, dua
leungeun dipiting pageuh
bari sirah didangheakeun,
tel tiis-tiis neueul kana
beuheung, horéng balati leu-
tik.
“Coba-coba ngadeukeu-
tan komo jeung reureujeun-
gan jeung Nyimas Utari,
awas siah tong atoh manéh!”
ceuk nu neueulkeun balati.
“Lah sakalian wé dodét
ayeuna kénéh, bugangna
urang balangkeun ka jurang
piraku teu aman,” nu tu-
kangeun nyelengkeung, so-
rana digerem-gerem
puguhning beungeut-beung-
eut mah teu sidik, buni ku
iket hideung anu diteregos-
keun.
“Keun heula anan euy,
ayeuna mah tong waka dipo-
daran ngan lamun budeg
waé kakarak si Gagak Kran-
cang sina barang hakan
malaur geus heubeul teuing
teu nguyup getih!” tembal
nu nyekel balati deui, bisa
dipastikeun Gagak Krancang
téh ngaran balatina.
Meureun kaceplosan tapi
Karémbong Sutra Kayas
Carpon Emha Ubaidillah
CCaritaPondok
23. Manglé 247022
bisa waé miceun salasah.
Teu burung jajantung
motah, nyawa asa sajlok-
jlokeun mecleng tina
warangka. Reketek matek aji
Lembu Sekilan, jekok jekok
beungeut pada ngareuceuh
pungkasna awak pada nga-
jungjungkeun, keleweng ge-
brus wéh kana rungkun.
Sanajan awak teu cécél-
bocél malah teu peureus-
peureus acan, perlu sakeur
kuring api-api kapiuhan
ngadédéngékeun saha
maranéhna téh ngan waé
weléh ukur sada hiuk angin
kateumbragan jorélat ring-
kang. Ras keur nyuluran nu
jadi guru, inget deuih babat-
uran keur narungguan, nu
pangingetna ka Nyimas
Utari, nanasibanana boa
leuwih pikahariwangeun
batan kuring. Jung cengkat,
guriwel leungeun bet nga-
rampa logam ipis bréh balati
leutik panjangna ukur
sajeungkal tina tungtung
pérah, pasti nu tadi dipaké
malédog aing ceuk haté bari
ngajam moal rék cuih ka
sasaha.
“Ka mana heula ari énté?
Abong ngobrol jeung nu
hérang bet poho kana pa-
ncén,” datang-datang ka
saung sasak, Sadibya
nyarekan pasemon mah
jigah nu reuwas. Purwa
jeung Punta gé teu tinggal-
eun kutuk-gendeng.Kuring
teu lemék, némbal gé hayoh
nyiar-nyiar picacapékeun.
Panghadéna iwal hahampu-
raan, bring wéh ka tonggoh.
Méméh maratkeun du-
dunga, awak nguniang.
Kabeneran teu jauh ti dinya
aya tajug reujeung tampian-
ana. Wanci magrib dina
geger gunung karasa geueu-
manana, gecrék tasbé dina
ramo ngawirahma keteg ja-
jantung. Sada geblig nu
leumpang atra ngadeukeu-
tan, taksiran deuk banyat ka
tajug ngan baé kalah ngi-
les.Haté ngalenyap barang
hawar-hawar kadéngé ge-
rem si belang. Sada cakcak
silih udag dina tembok asa
ku riweuh, gepluk murag.
Biasana parebut hakaneun
atawa parebut bikang, bisa
ogé parebut wilayah ka-
kawasaan, kumaha wé
jelema.
Geus leuwih ti sapuluh
bubuhan, pasangan adu
tanding ragot mamérkeun
wewesén padépokan sé-
wang-séwangan. Padépokan
Gagak Rimang minangka
pribumi nyayagakeun sagala
rupana geusan kalancaran
acara. Nayaga gé beunang
ngondang ti Pasir Jelekong
nu kawentar tukang ken-
dangna Bah Encuy Si Tan-
gan Guludug atuh tukang
tarompétna ngadatangkeun
si Déwa Tarompét ti pagu-
ron Gajah Putih. Demi dina
24. 23Manglé 2470
pintonan ibing, boh tunggal
boh masal tétéla paguron
Paksi Gedugan Cigondéwah
pingpinan Cép Mayok jadi
béntang panggungna,
panongton sugema tangka
séah éak-éakan. Pas tengah
peuting tilu jawara jlung-
jleng kana panggung, usikna
matak moho anu nempo
matak pogot nu niténan,
sareundeuk lain boboho-
ngan. Jleng jleng tiluan
murid Kidang Kancana, rék
ngajajal, Der bitotama, ukur
dua geprakan ngadon di-
garotong ka luar panggung.
Jleng ti Garuda Sakti, tuk
tek-tuk tek digarotong
deuih, ti Simpay Wargi
nyakitu ngadon ngajurah-
roh, ti Tapak Suci, ti Dewa
Samadi ti Kujang Pajajaran,
ti Sukma Sawawa ogé ti
padepokan Jagat Sétra
ngadon arolab dina pang-
gung antukna Ki Wasit tan-
dang biantara, “Kalayan
sagala kahormatan, supados
majeng baé wawakil atanapi
utusan ti padépokan Gagak
Lumayung,” Gebeg, saha
deui nya kuring saparakan-
ca, niat mah ukur rék jadi
panongton. Mun teu dite-
dunan pisakumahaeun dica-
campahna Pangersa Abah
turta panghinaan ka nu boga
hajat. Lahaola jung nang-
tung bari ngagupay Purwa
jeung Punta, kalacat gog
memener kuda-kuda. Kolé-
bat, teu kanyahoan jug aya
nu ngajleng kana panggung
bari teu sidik saha-sahana
najan tilu patromak mabra
lantaran maké dudukuy
cetok nu dibaguded ku
samping poléng. Ieu si
dudukuy cetok ménta di-
layanan heula tarung jeung
calon lawan tanding kuring,
ukur sababaraha geprakan
laju mundur ménta dila-
yanan ku Punta jeung
Purwa. Sanggeus dirempug
ku limaan mah kalawan teu
ngaluarkeun késang si
dudukuy cetok ngagorowok,
“Cukup cukup, hempék
prung taruluykeun.Jalu!”
kolébat wéh ka luar pang-
gung, les di nu poék. Saréréa
bati olohok ku polahna.
Berekah lawan nu dianggap
pineunggar-cadaseun bisa
diperuhkeun bari teu baréd-
baréd acan. Anggur tibalik
ngadon remen kagitik ku
Punta jeung Purwa, pari-
basa, “Hampura euy teu ka-
haja!”
Basa keur narukan ka-
cang panjang di kebon, Nyi-
mas Utari ngurunyung,
“Kaka teu naon-naon basa
kajantenan di Pasir Tonggo
téh?” pokna semu hariwang.
Ukur gideug ongkoh
ngadadak pered létah, “Teu
kedah dikilungan balaka wé
ka Imas, Kaka! Da sing
sumpahna ge moal diucah-
acéh ka sasaha.”
Barabat wéh didongéng-
keun ti mimiti aya nu megat
tepikeun ka kajadian di
luhur panggung.Nyimas
Utari neuteup seukeut, ku-
ring keukeureuceuman
sérab. Kusiwel kana pésak
kabayana, song diasongkeun
ka kuring, bréh tilu lambar
surat nu ngébréhkeun rasa
katresna ka Nyimas Utari.
Helok ogé, horéng kiriman
Punta, Purwa jeung Sadibya,
“Ari manah Imas ka saha
atuh pancegna?” dikitukeun
kalah gigideug, luk tungkul
paheneng-heneng sakeda-
pan,
“Nyimas?” cék kuring
asa kaselek, nu digero ceng-
kat, “Sapertosna Kaka téh
tos kedah jengkar ti dieu ,
kumargi galagat ka payunna
baris ngiruhan wengkon
padépokan.”
“Kaka,” Nyimas Utari
megat, “Tos teu nyaah ka
Imas nya? Tos teu émut pan
saur Kaka badé sasarengan
ngaageungkeun padepo-
kan?” kituna bari nong-
gongan, eundeuk pundukna
matek kadeudeuh, bruy bray
béntang jeroeun rasa. Enya
gé asa ka adi bet ngurumuy
rasa nu béda.
“Nyimas kupingkeun,”
pok téh bari ngeteyep nyam-
peurkeun.
“Teu kedah nyaketan,
badé angkat mah mangga,
teu kedah wawartos sagala,”
pokna nyungkun. Reg,
léngkah kakonci tapi kagok
asong sakalian rék ngabu-
dalkeun galurana rasa anu
wungkul keur manéhna.
“Kaka téh nyaah ka Nyi-
mas, kanyaah anu langkung
ti ka rayi. Malihan saupami
teu ambon sorangan Kaka
téh hoyong nyandak Nyimas
ka dayeuh,” semet dinya,
Nyimas Utari kaburu malik,
haté beuki tagiwur sok sieun
salah kekecapan.
“Leres cariosan Kaka
téh? Cariosan anu kedal tina
manah atanapi sakadar
ngabeberah?”
Kuring unggeuk
ngayakinkeun. Basa
ngagabrug, méh-méhan wéh
ngajéngkang kapidara,
sadar-sadar leungeunna
nyredkeun dada laju ngusi-
wel kana pésak sabeulah
deui, selengseng seungit
malati tina karémbong sutra
kayas dina keupeulanana.
“Saur Abah, sing saha
pameget anu tiasa ngarebut
ieu karémbong, nya eta pi-
batureun hirup Imas,” Sabot
nyarita kitu, angin gunung
ujug-ujug ngagelebug.
Karémbong sutra ngoléang
kokoléangan.
Hideng sorangan awak
ngolébat nyabet karembong
anu rek dibawa kabur ku
angin, kep beunang. Song
diasongkeun, sakerewekna
kana keupeulan Nyimas
Utari, kuring ngobrot ka
manéhna anu mundur ngu-
dar samping réréngna,
horéng geus saged dipangsi.
Karémbong disamber tapi
nu nyampak kipratan
dampal suku, gilek nyerong
ka katuhu. Kek ditanggeuy
tapi ngulawit ngababad
pigeulang malah pigeulang
kénca dijieun tatapakan.
Julaprét suku kéncana
rék ngababuk punduk ku-
ring. Lep teuleum, nginjeum
peta papatong mandi. Sa-
puan anu ngeplos robah
nutug kana embun-embun-
an. Sabot ngagiwar, leung-
eun kénca ngarawél Karém
bong ngan baé ukur nga-
ranggeum angin.
Nu dirawél robah nilep
ngawangun siku, nyuruntul
deuk ngarakrak caréham.
Kep ditampa ku dampal
leungeun katuhu laju disu-
rungkeun, nyod méréan
robah ngagolék. Leungeun
kacerek langsung diparieus-
keun. Sabot murilit, keu-
neung nénjrag jagat matek
tanaga angin panas.
Peleteng téh Nyimas
Utari mecleng sababaraha
deupa, clek nancebkeun
kuda-kuda bari nyurung-
keun dua peureup ngawa-
ngun tanaga jero Dewa
Samadi. Sier, tuturus kacang
panjang racleng aya we-
lasna.Teu ieuh ditadah,
ngondang picilakaeun ba-
rina gé, gentak ngalégot laju
norolong nyampeuk ngin-
jeum gerak puyuh mabur.
Kek, pigeulang nu nyekel
karembong dikonci, tép
meta aji Brajamusti.
Kérépéng, ber…karémbong
ngoléang kahébos gelebug
angin panas. Berebet duaan
paboro-boro ngudag, ka-
rémbong nyampay dina
dahan jeungjing, gegele-
beran. Karérét Nyimas Utari
kalah tungkul béakeun ceta,
barang tanggah ukur gideug
lungsé tandaning teu untu-
pan naék. Reketek matek
tanaga, belesat kana dahan
jeungjing…
Leungeun nyasar pésak
jékét, ginjel karémbong
karasa. Golédag nangkarak
bengkang. Sada jangkrik
sada kasir nongtoréng
NNyambung ka kaca 38
25. D
ésémbér
1996,
ngabimbing
ibadah
umroh
diteruskeun ka Éropa. Ka
London, Paris, Brussel,
Amsterdam. Ambéh pan-
tés, dingaranan wé “umroh
plus muhibah Muslim
Éropa”. Nu rék didongdon
di Ĕropa, sajaba ti obyék-
obyék wisata kamashur,
nyaéta masjid katut komu-
nitas Muslim nu aya di
dinya. Jadi salila perjalan-
an, lamun geus nepi kana
waktu salat, kudu asup ka
masjid. Salat jama ta’dim
atawa ta’hir, kumaha kabu-
runa.
Bérés umroh, biur ka
London. Dalapan jam per-
jalanan. Datang ka puseur
dayeuh Karajaan Inggris
téh, pkl.06.00 isuk-isuk.
Ku nu ngatur perjalanan
(guide), henteu langsung
dibawa ka hotél. Tapi
kukurilingan heula ka rés-
toran (mumuluk), karaton
Ratu Inggris (Buckingham
Palace), Tower of London,
lalayaran di Walungan
Thames, mall, pasar, jsb.
Salat asar jeung lohor
(jama ta’hir wal qosor) di
Masjid Raya London.
Ti dinya, asup ka mu-
seum patung lilin Madame
Tussaud. Ningalian
patung-patung para keken-
tong kamashur saalam
dunya. Kaasup patung Ir.
Sukarno, presidén RI
munggaran (1945-1967).
Kuring dipoto ngaré-
ndéng jeung patung-
patung nu “dipikaresep”.
Kaasup jeung dua jago
maén bal nu teu bireuk
deui jaman harita, Éric
Cantona (Prancis) jeung
Karl Héinz Rummeniége
(Jerman), sakumaha nu
katingali di dieu.
Sajaba ti koléksi
patung lilin, Museum Tus-
sauds dilengkepan ku dio-
rama sajarah Éropa Abad
Pertengahan. Ngagam-
barkeun rupa-rupa huku-
man nu ditibankeun ka
jalma-jalma nu dianggap
jahat. Aya nu digantung,
dirangkét, dibelok, dikulub
ku minyak panas, diteuk-
teuk beuheung ku “guilo-
tine”jsb. nu matak
muringkak bulu punduk .
Aya dua tilu jamaah teu
kuateun ningali. Kapaksa
dijajapkeun ka luar.
Ti dinya, ampir tengah
peuting, karék dibawa ka
hotél “The Great Éastérn”
di tengah kota
London.Wangunanana
badag, jangkung, tur kuno.
Diburuanana , aya prasasti
dieusi tulisan. Nerangkeun
yén éta hotél, urut wangu-
nan rumah sakit nu nam-
pung korban “Perang
Salib”. Diwangun abad 13
ku Raja Richard The Lion
Héart.
Sanggeus babagi
konci, jamaah dibawa ka
tingkat tujuh. Ari kuring
meunang kamar di tingkat
dalapan.
Kangaranan hotél
kuno, sagalana gé kuno.
Lampu reyem-reyem.
Ramat lancah patinggulan-
tung.
“Wah, matak jadi uru-
ara kaya kieu mah,” cék
haté.
Enya wé. Barang ja-
maah diperenahkeun saka-
mar duaan atawa opatan,
langsung tinggaroak. Nye-
but embung. Komo awéwé.
Bari tingbirigidig sagala.
Tingalajrét. Kapaksa disa-
gebrugkeun. Rombongan
80 (dalapan puluh urang),
sina ngeusian opat kamar.
Da kitu kahayangna.
Enya kamar baradag.
Sakamar disayagian tem-
pat tidur dua belas. Atuh
Manglé 247024
PPuridingPuringkak
Ngalawan “JURIG” Inggris
Ku H. Usép Romli HM
Nu nulis jeung patung lilin Éric Cantona (katuhu), Karl Héinz Rummeniége (kénca)
26. 25Manglé 2470
puguh nu kabagéan
sakamar duaan
atawa opatan, pro-
tés. Jaba kamar jiga
kotor, lalangitna
barolong. Panto
kamar mandi nga-
léklék. Ukur diha-
langan ku rérégan
plastik bodas. Bak
mandi émail, ma-
lang. Sarérétan mah
jiga mayit ngagolér.
Saha nu luas saré di
kamar “horor” kitu.
Geus nempat-
keun jamaah, kuring
naék ka tingkat
dalapan. Muru
kamar jatah. Tina
lift nu sorana koko-
rokotan, ka kamar
téh aya kana lima
puluh méter.
Lampu medem.
Tapi unggal
ngaléngkah, bray
caang. Pareum deui,
caang deui. Sapan-
jang lulurung nuju
ka kamar, réa kamar
muka. Pantona
raruksak. Di jerona
réa bragbrag-brug-
brug warna bodas.
Aya nu warna
oranye, kawas
paranti ngawadahan
mayit. Kurang-ku-
rangna ludeung
mah, matak soak.
Sup ka kamar,
muka panto nga-
gerét tarik. Jandéla
ngaleklek.
Mangkaning usum
tiris. Kipas angin,
hideung lestreng
pinuh ramat lancah,
oyag-oyagan nge-
ndagkeun lalangit
butut. Bak mandi
ngajelepeng jiga
mayit.
Geus ucul-ucul,
bari ngagoledag saré,
kuring susumbar
lalaunan :
“Sok siah jurig
Perang Salib, geura
daratang ka dieu.
Yeuh aing, anak buah
Salahuddin al Ayyubi
nu ngéléhkeun Raja
Richard The Lion
Héart, ngahaja nga-
jorag sia.”
Alhamdulillah,
saré tibra nepi ka
subuh. Tas salat di-
sambung deui
ngalenyap nepi ka
pk.07.00 waktu
panto digedoran ku
pelayan hotél, ngan-
teurkeun mumuluk.
Tepung jeung
sakabéh jamaah di
lobby, keur nunggu
nu mapag rék nu-
luykeun perjalanan
ka Paris, récok nyari-
takeun pangalaman
saré di kamar “jurig”.
Aya nu teu daék reup,
tapi teu kungsi ka-
wénéhan melong
jurig sakolébat-
sakolébat acan.
Ceuk Si Jon,
guidé nu rék mare-
ngan ka Paris, éta
hotél kajojo pisan ku
turis luar nagri.
Sabab mangrupa
salah sahiji hotél
kuno nu réa jurigan.
Manéhna ngarasa
anéh, turis Indonésia
maké nyebut sieun
jeung teu bisa saré di
éta hotél istimewa.
Kawasna Si Jon teu
apaleun yén urang
Indonésia mah
sarieun ku jurig
téh.***
27. CCarita Heubeul
N
u rék diadu
jajatén geus
adu hareup-
an, pada
nyarangking
gagaman.
Panangan katuhu nyekel tum-
bak, anu kénca nyangking
kepeng. Seuseukeutna tumbak
dibuntel ku lawon kandel,
sangkan dina keunana ulah
nepi ka mateni. Nu narongton
lolobana geus nyarangka,
Ukur nu baris kasoran, jeung
pada baturna aya nu haharé-
wosan, cenah ieu mah teu
tanding. Atuh saha nu rék
henteu boga pikir kitu, da
puguh ningal waruga mah,
Ukur téh éstu katitih, éléh
gedé éléh longok, mun dina
hayam téa mah. Kuturug-
turug Ki Jajengrono mah geus
loba pangalamanana, kaasup
tamtama wijig-pinilih, hésé
néangan tandingna.
Tapi mungguhing Ukur
mah, nénjo lawan saluhureun
téh henteu galideur teu gimir,
teu gedag bulu salambar,
anging tumamprak kana ker-
saning Hyang Widi.
Keur waktu adu-hareupan,
Ki Senapati Ronggonoto
nyampeurkeun, bari pok
ngadawuh:
“Ku sabab aya dawuhna
Kangjeng Sultan, yen Ki Ukur
téh arék dicadangkeun kana
senapati, pikeun jadi wawakil
kaula, adu jajatén téh kudu
enyaan, lain saukur tongto-
nan. Ku éabab eta, tumbak téh
seuseukeutna henteu kudu di-
buntel, lugas saperti dina
médan pupuh biasa.”
Duanana bareng nga-
wangsul: “Tumut satimbalan
Dalem,” bari prak buntelna di-
aludar. Sanggeusna tarapti,
Senapati miwarang prung
ngamimitian, bari ngalirik ka
Ki Jajengrono, semu nu ngan-
dung rasiah.
Dasar Ukur jalma surti,
lirik isarahna Ronggonoto
gancang kajudi. Cék dina
haténa:
“Tetela ieu Ronggonoto
geuleuheunana ka aing, najan
aing henteu tuah henteu dosa.
Moal salah deui pamaksuda-
nana téh, supaya aing eng-
goning diadu jeung Jajeng-
rono, tinemu bobor karaha
yuan. Tapi mungguhing
Pangéran mah tara nanggeuy
ti bongkokna, ngan aing kudu
pohara ati-atina.”
Gancangna kudana diba-
ralikkeun, Jajengrono malik
ngalér, ari Ukur malik ngidul.
Sanggeus kira-kira meunang
saratus méter séwang tuluy
pasanghareup-sanghareup
deui. Bareng jeung gumu-
ruhna sora tambur jeung baji-
dor, sebrut kudana ditalegar
keun, mengpengan ngaburu
lawan. Tumbakna dihompét
ku leungeun katuhu;
seuseukeutna dibenerkeun
kana lebah dada musuh.
Képéng dicekel ku kénca, bari
sakalian dipaké ngeupeul
kadali; henteu pageuh tipe-
pereket, ukur dicapit ku in-
dung leungeun jeung curuk.
Tapi sanajan kitu, dasar kuda
palajaran, iceus ngarti kana
kahayangna nu tumpak.
Lumpatna kuda meleteng lir
mimis bedil, nyemprung
ngaburu ka musuh. Nu
tumpakna itu ieu pada wani,
taya karisi kagimir. Samalah
Jajengrono mah, ku lantaran
nénjo lawan sahandapeun,
haténa nguntup takabur, boga
rasa aing anu bakal unggul.
Ku kituna manéhna rada
balangah, ilang duduga per-
joga. Barang srog pasarandog,
sajeroning kuda keur pada
mengpengan. Jajengrono ku
Ukur kapiheulaan nyuluduk-
keun tumbakna. Ngan hadéna
baé masih bisa kénéh katampa
ku képéngna. Atuh barang
beletak téh tungtung tumbak
paadu jeung taméng, henteu
béda jeung anu ditotog ku
gada beusi, anu kacida beu-
ratna. Sanajan seuseukeut
tumbak teu nembus, Jajen-
grono ngadayagdag, golém-
pang tina kudana, bru ragrag.
Labuhna nangkarak beng-
kang. Tumbak katut képéngna
lésot tina genggemanana, ra-
grag di sakénca-katuhueu-
nana, kudana kawas aya nu
ngusrukkeun, sukuna nu
hareup nyorodot, bru labuh
Manglé 247026
{ 44 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
28. huluna nyuuh. Ki Jajengrono
sajongjongan kapiuhan saking
tarikna tibeubeut jeung dada
katiban tumbak. Moal boa
karasana tangtu eungap, jeung
bari ambekan nyesek.
Ki Ukur, barang ningal
lawanna ngajoprak teu usik
malik, gancang turun tina ku-
dana, nyampeurkeun nu keur
ngagolér. Nu lalajo surakna
ayeuh-ayeuhan, pada ném-
bongkeun kabungah; teu di-
sangka jago adu bisa kaéléh
keun ku si Jajangkar. Jajen-
grono ku Ukur digugahkeun,
ditanggeuy lebah pundukna.
Gék diuk, barang rét nénjo ka
musuh, ngoréjat bari jung
nangtung. Henteu antaparah
deui kerewek Ukur dicekel
taktakna kéncana, jebét dita-
mpiling pisan. Ku tarikna
panampiling, Ukur rada nga-
balieur karasana rada peureus.
Barang rék dipindo, gancang
sirahna digilekkeun. Leung-
eun Ki Jajengrono milepas,
munggah ngahiuk, nampi-
lingna henteu keuna. Rikat ku
Ukur disusul, dicekel lebah
pigeulangna jeung sikuna,
tuluj dicentok saeutik. Jalma
sakitu jangkung gedéna, da
puguh dina saat éta tanagana
keur kosong, bru labuh tisu-
sut, beungeut nyungkur kana
taneuh. Ger deui ramé nu
surak, panuju nénjo kari-
katanana Ki Ukur. Jajengrono
hudang deui, ambek tambah
ngagugudug, nyeri jeung nan-
dang wiwirang. Arék mundur
henteu kolu, éra geus kasebut
pamuk. Gawéna larak- lirik
jalang-jéléng, bari nangtang
sorana arapap-eureupeup,
ambek nyedek tanaga midek.
Rét katénjo tumbak di deu-
keutna ngagolér. Gancang
dirongkong, sakedep nétra
geus aya dina tanganna deui.
Dicekel bari diamang-amang
pok susumbar:
“Eh Ukur, nya ayeuna
manéh baris paéh ku tangan
kami. Pék geura sambat in-
dung bapa anu ngayuga jeung
tobat ka Nu Kawasa!”
Ki Ukur imut ngagelenyu,
rintih ngawalon:
“Aéh, aéh naha Kang Mas
bet kalangsu, bendu munggah
bébéakan. Atuh ari jurit sina-
tria mah, kedah nganggo tata-
titi tindak-tanduk, maké
duduga peryoga, ulah niru
lampah diu.” Jajengrono tam-
bah séwot, boga rasa diwi-
wirang:
“Ah montong loba carita,
anggur pék geura tadahan ieu
paksi tumbak kami, urang
paké niir awak manéh.”
“Atuh ari rék keukeuh
jeung keukeuh mah kaula
kudu ngayonan kagagahan
sampéan, sumangga téh teu-
ing ngiringan kana pangersa.
Kuring iklas bibilasan, paturay
raga jeung nyawa, ngabéla ka-
hormatan,” walon Ukur ayem
tengtrem.
Séot Jajengrono muru,
bari nojoskeun tumbakna. Nu
diincer lebah dadana. Tapi
Ukur dasar wedalan patapan
éstuning awas waspada, awas
tingal seukeut rasa, henteu ka-
palingan rérét. Awakna ngan
ukur ngagilir saeutik, ny-
ingcétkeun héatna tumbak.
Jajengrono tijongjolong, da
puguh ngan nubruk hawa.
Keur nyoloyong gancang tum-
bakna ku Ukur ditongtak.
Babari pisan pot lepot tina pa-
nyekel. Ki Jajengrono. Ki Ja-
jengrono malikan, karepna
arék ngarontok deui. Ku Ki
Ukur digiwarkeun, bari disapu
sukuna, dibarengan ditonjok
iga burungna. Bru nambru,
henteu empés-empés. Ger
deui nu surak ayeuh-ayeuhan,
ting gorowok ting haroak,
némbongkeun kabungah haté.
Pangna kacida barungahna
téh, éta pédah Ukur anu sakitu
ngorana tur masih kénéh
bangbangan, maké bisa
ngéléhkeun jago kahot, anu
sakitu jangkung gedéna.
Tapi Ukur mah bisa
ngéléhkeun pamuk Mataram
téh, henteu pisan ném-
bongkeun ieu aing, suma-
wonna mun angkuh gumagah.
Barang ningal lawan geus nga-
jéngjéhé henteu empés-empés
téh, ku manéhna buru-buru
disampeurkeun, diguyah-
guyah dihudangkeun. Atuh nu
lalajo naréndjo kasatrianana
Ki Ukur téh, ger sarurak deui,
bakating ku mikadeudeuh
sarta panuju.
Sanggeusna Ki Jajengrono
diparayang kaluar di pakala-
ngan, Ukur disaur ku Kang-
jeng Sultan ka babancong. Di
dinja geus aya Senapati Rong-
gonoto, keur sila mendeko di
payuneun Sultan. Barang rét
katingali, Ukur gasik dipi-
warang unggah ka babancong.
Cedok nyembah, gék diuk di
satukangeun Ronggonoto.
Kangjeng Sultan alon
ngalahir:
“Ukur, kasantikan jeung
wewesen kaprajuritan manéh
ku kami geus katingali. Hen-
teu sangka kabina-bina manéh
geus bisa ngelehkeun Ki Tam-
tama Jajengrono. Kami po-
hara bungahna ningali manéh
ngabogaan darah prajurit
sinatria. Pantes upama manéh
diangkat kana senapati kadua,
jadi wawakilna Ki Adipati
Ronggonoto. Kumaha manéh
purun?”
Ukur rintih ngawalon,
ulatna marahmay:
“Abdi gusti sumeja tumut
kana pangersa. Anamung abdi
gusti henteu rumaos unggul ti
rahayat Gusti anu sanésna. Ku
margi éta henteu aya sanés
mung sumeja nyembahkeun
di kabodoan Kana pangasih
Dampal gusti, abdi gusti
nampi kalajan kabingahan, di-
tampi ku asta kalih, disuhun
dina embun-embunan, kaula-
nun.”
Kangjeng Sultan ngaraos
bingah, ngadangu piundjuk
Ukur, anu sakitu perlénténa.
Timbalanana:
“Sukur bungah pisan,
manéh geus purun nampa éta
kalungguhan. Haté kami tam-
bah reugreug, boga taméng
dada pantaran manéh.” ***
(lajengkeuneun)
27Manglé 2470
29. Manglé 247028
Bagian
201
CCarita Nyambung
Peuting ka-243
K
ira-kira wanci
haneut
moyan, ku-
runyung
ronghéap nu
datang tung-
gang kaldé. Jrut turun, horéng
manéhna téh awéwé geus
kolot pisan, geus nini-nini.
Sabrehan gé kateguh, éta nini-
nini téh lain jalma joré-joré,
écés tina papakéanana sarwa
mahal nu ngan ukur kabeuli
ku jalma-jalma jugala.
Nu boga toko, tabib téa,
ngabagéakeun nu datang. Teu
loba cacarita nu séjén, semah
téh langsung nanyakeun asal
usul éta tabib.
“Andika téh tabib anyar ti
Irak téa?”
“Leres pisan.”
“Kabenerean atuh,” pokna
deui.
Dadarad nu anyar datang
téh cacarita. Intina mah nété-
lakeun pangna inyana datang
ka éta tempat. Puguh gé geus
sababara poé bingung nu teu
manggih tungtung lantaran
selir anyar holipah kawas nu
gering ngalanglayung. Ku lan-
taran kitu, inyana téh tetele-
pék ka nu sakira-kirana wa
wuh jeng tabih wacis nu bisa
ngubaran rupa-rupa kasakit.
Satutas cacarita, éta nini-
nini nu taya lain ti kapercaya-
an holipah dina ngurus para
selir, ngumaha ka tabib sang-
kan daék ngubaran selir anyar
téa.
“Saha jenengan éta selir
téh? Sabara yuswana sareng ti
mana asal-usulna?” ceuk
tabib.
Nini-nini ngajawab sa-
tarabasan. Sakur kanyahona
nu tumali jeung Niam taya nu
dikilungan. Sagala rupana di-
dadarkeun ku Niam ka éta
nini-nini dicaritakeun deui ka
éta tabib.
“Euh kitu nya? Nya,
mudah-mudahan wé atuh
ubar ti kula téh jadi cukang
lantaran éta selir sehat deui,”
ceuk tabib.
Sajeroning kitu, haté tabib
mah bungah kacida. Ngan, teu
nembongkeun kagumbirana
harita, lantaran bisi kumaha
oman. Ceuk pikirna, kudu lan-
tip sangkan rarancang nu
geus ditataharkeun bisa ka-
hontal kalayan lungsur-
langsar.
Di tempat nu teu jauh
tabib jeung nini-nini ngobrol,
Nikmatullah mah mani re-
bing-rebing wé ceulina téh.
Najan teu kabéh kabandun-
gan lantaran bari pura-pura
meresan kéler ubar-ubaran,
dirina yakin nu keur dicarita-
keun ku nini-nini téh pama-
jikanana, Niam téa.
Nu keur api-api meresan
wadah obat-obatan téh katem
poeun ku semah. Sajongjong-
an mah, si éta nini-nini téh
olohok. Kaget ku rurupaan éta
pamuda nu méh sakeureutan
jeung dununganana, selir
anyar téa. Atuh umurna deuih
pakokolot supa.
“Ari éta saha?” ceuk nini-
nini bari ngareret ka Nikmat-
ullah.
“Anak kula.”
Nu diobrolkeun mah api-
api teu malire wé. Malah,
saterusna mah ngaléos ka
bagian ubar-ubaran lantaran
ku tabib sina nyokot obat ba-
hankeuneun ka nini-nini. Eta
kasempetan ku Nikmatullah
gé dimangpaatkeun pisan.
Manéhna nulis surat sacewir
diasupkeun kana peles obat.
Geus kitu dibikeun ka bapa
kukutna.
Réngsé ngalaksanakeun
kapereluanana, nini-nini mu-
lang deui ka lingkungan ista-
na. Langsung muru tempat
selir holipah nu ditempatkeun
dina kamar-kamar nu ngaja-
jar kenca katuhu. Aya kana
welasna éta kamar husus para
selir téh. Lian ti nini-nini, nu
jadi kapercayaan holipah téh,
adina anu awéwé nu umurna
saluhureun Niam.
Niam angger alum.
Panonna beueus kawas nu tas
ceurik.
“Geus kitu wé, milik urang
saréréa! Ku kabeneran, ieu
nagri kadatangan tabib nu
sakitu hebatna. Geura wé,
sabada nanyakeun ngaran
hidep, langsung apal kana
kaayaan hidep nu sabenerna,”
pokna ka Niam.
Nu diajak nyarita mah teu
ngawaro. Pikirna teu kataji
saeutik-eutik acan. Ngan,
waktu ningali tulisan nu napel
kana pelés téa, bet ter haténa
30. 29Manglé 2470
ngageter, da asa apal kana
tulisan kawas kitu téh. Ku lan-
taran kitu, inyana gancang
nyokot éta wadah ubar sarta
muka tutupna. Bréh aya deui
tulisan, nu taya lian ti sair nu
ditungtungan ku ngaran nu
nulisna.
Saterusna, nini-nini téh
mopoyankeun, tabib boga
budak lalaki, ngaranna
Nikmatullah. Dicaritakeun
deuih ciri-cirina. Geus nga-
denge kitu mah, yakin wéh éta
nu disebut budak tabib téh
tangtu salakina.
“Punten atuh pangnya-
ndakeun cai,” ceuk Niam ka
nini-nini.
Nu dititah langsung ka
dapur. Teu kungsi lila mawa
cai herang kana gelas. Dia-
sonkeun ka dununganana.
Lek Niam neureuy ubar ditu-
turkeun ku cai saregot.
Teu kungsi lila, paroman
Niam tembong marahmay.
Atuh, puguh wé ningali dunu-
nganan langsung cenghar téh
nini-nini kacida bungahna.
Ceuk pikirna, parobahan kitu
téh lantaran ubar tabib nu
kacida mujarabna.
“Kumaha karaosna,
geulis?”
“Lumayan, Ni.”
“Sukur atuh!”
“Cobi atuh nyuhunkeun
tuangeun!”
Nini-nini beuki bungah.
Da, ceuk pikirna, Niam téh
bener-bener pulih sabihari.
Geuning harita kénéh lang-
sung hayang barangtuang nu
hartina kasakitna geus leu-
ngit. Padahal, Niam mah teu
sing ngarasa lapar, da nu
puguh mah sangkan si ema
pangasuh indit deui ti tem-
patna. Kituna téh, lantaran
teu kuat hayang deui maca
sair nu ditulis ku salakina téa.
Peuting ka-244
Keur guntreng ngarobrol,
torojol Holipah sumping.
Kaget tur bungah lantaran
Niam beda pamulu. Da.
Katukang-tukang mah apan
sakitu pikahariwangeunana.
Beungeutna haropak, panon-
na celong, neuteup kosng. Ari
harita, apan kawas nu teu sa-
kara-kara.
“Haturan, Gamaparan.
Bagja salira téh!” ceuk nini-
nini.
“Kumaha kitu, ma?”
“Garwa salira parantos
pulih sabihara-bihari.
Bawiraos, eta téh cukang lana-
tran tabin nu pinter nam-
baan.”
Gorolang nini-nini nyari-
atkeun cara éta tabib
ngubaran sarta hasilna nu
kasaksén ku manéhna. Mé-
mang, kituna téh jeung buk-
tina. Kabandungan, Niam gé
apan cageur, kawas nu teu
sakara-kara.
“Upama kitu, ema mulih
deui ka eta tabib. Pasihkeun
ieu artos pamulang tarima,”
ceuk Haolipah.
Nini-nini téh datang deui
ka eta toko. Masrahkeun duit
hadiah ti holipah sarébu
dinar. Sakalian deui masraha-
keun surat ti Niam ka Nika-
matullah.
Niam muka surat. Tak-
siran teu kuat nahan kasedi-
hna. Harita keneh ngalimba
ngeclakkeun cipanon. Nya,
tangtu wé, nini-nini téh kage-
teun pisan.
“Har, naha bet ceurik?”
“Tangtu wé, da Nam téh
pamajikanana,” ceuk tabib.
Derekdek tabib medar
lalakon Nikmatulloh. Inyana
téh pantes rék kagegeringan
gé lantaran pamajikanana aya
nu nyulik. Nya ku lanatran
kitu deuih arinyana, ngahaja
muka toko obat di éta nagri
ngarah sakali mangsa mah
bisa manggih jalan geusan
nepungkeun éta nonoman
jeung pamajikanana.
Nini-nini kakara ngar-
tieun, Manhena kacida karun-
yaeunana ka Nikmatulloh téh.
Ceuk pikirna, pantes upama
manéhna ngupayakeun
sangkan salaki jeung pama-
jikan téh leupas tina bang-
baluh.
“Ulah kapalang nulungan.
Pek wé duit mah keur ema,
malah mun bisa nepungkeun
anak kula jeung pamajikanan,
ema dibere peresenan tam-
bahna sarebu dinbar deui.”
Ema pangasuh selir nyng-
gupan. Ngan, cenah, kudu
titih rintih, sangkan caina
herang laukna beunang.
Pakarepan nini-nini disa-
luyuan ku tabib jeung Nik-
matulloh. Hartina, dina
ngalaksanakeun patekada-
nana téh moal gurung-gusuh.
***
(Hanca)
31. Manglé 2470
A
bah téh kaasup patani tulén. Keur
ukuran urang lembur mah Abah
kaasup jalma cukup, da ukuran ka-
sugihan di lembur mah taya lian nyaéta
lega sawah jeung kebon sarta boga
sababaraha urang panyawah.
Di antara sawah-sawah garapan Abah
téa, aya genep kotak anu perenahna
lebakeun pisan imah. Di dieu Abah jeung
Ambu resepeun pisan kukucuprakan,
sabab sawah nu ieu mah tepi ka Ambu
pupus ogé teu disérénkeun ka anu nga-
garap.
Legana sawah nu di lebakeun imah téa
27 areu, ti imah Abah téh ngan kari
nyukang, meuntas susukan leutik, beulah
kulon jeung wétaneun sawah dikurilingan
lembur. Atuh geus teu matak anéh, unggal
aya urang lembur anu popolah, seungitna
sokkaambung.Numaishurangwalungan,
melenghir tepi ka sawah, seungit paisan
kaambung samara bawang; aya nu keur
ngeletik,seungitkaangin-angin,atawaanu
keur nyangu béas ceré sok hayang sahuap-
huapeun nyocolkeun kana sambel oncom.
Dalah anu keur nyangray teri ogé matak
uruy kana huntu, dicicipta matak ponyo
lamun dipaké deungeun kéjo.
Basa Ambu ngantunkeun, sawah leba-
keun imah dipasrahkeun ka kuring. Mak-
sud téh dina buka waris kapasrahkeun ka
kuring. Kabeneran da meunang hayang,
sabab ngan éta-étana sawah anu deukeut
ka jalan gedé mah. Mangusum-usum di-
parokeun ka anu haat nyawahan, tapi
sanggeus pagawéan kuring deukeut ka
pangsiunmahnyobaandigarapkusorang-
an. Rada jungjat ogé, kawantu lamun nga-
longok sawah téh didugdag Sukabu
mi-Cibeber kurang leuwih 48 kilo méter
jauhna. Ari Abah, ti saprak indung maot
téh cicingna betaheun di kuring.
Bulan puasa kamari, ngahaja ka lem-
bur ngalongok sawah meunang tandur.
Méméh miang, ceuk Abah téh tutuhan
tangkal kelewih nu sisi galengan, goréng
kana paré jeung daunna nu murag sok
ngarungkupan dapuran paré. Réngsé solat
lohordi imah titinggal indung saged muru
kasawah.Enyawédaunkelewihpabalatak
di luhureun kotakan, sajaba ti kitu téh hu-
luwotan cai ti susukan bedah kabanjiran.
Batu-batuna anu tinggulutuk ka hilirkeun,
ditumpukkeundeuisinangajadibendung-
an. Pagawéan nu bangga da meureun ku-
ringna geus lawas pisan tara migawé
pagawéan anu beurat kawas harita.
Dur bedug asar, masih keneh di sawah
mangkaning aya keneh hanca pagawéan
nyaéta nutuhan tangkal kelewih. Teu kapi-
gawé da awak geus karasa nahnay, anggur
ngadon diuk dina hunyur anu aya sasau-
ngan. Bari ngararasakeun capé kasawang
deui dina ingetan, paripolah Abah mun
keur ngolah ieu sawah, kira opat puluh
taun kaliwat....
Geus matuh, rebun-rebun réngsé solat
subuh Abah geus singkil turun ka sawah,
migawé sakumaha keur usumna: macul,
tandur tug tepi ka usum tandur deui. Kira-
kira wanci pecat sawed, Ambu ngulutrak ti
dapurngajingjingtékojeungngaisboboko.
Dina hunyur jeung saung ieu pisan duaan,
Abah jeung Ambu sok balakérakan duaan.
Sanajan teu nyoara, kasawang batin dua-
nana norowéco, neuteup paré anu karék
ceb ditandurkeun, neundeun harepan
pikahareupeun. Komo mun paré geus
meujeuhna lilir, mangsana dirambét anu
munggaran diteruskeun kana dirambét
mindo atawa ngaduakalian. Diteuteup ti
saung ieu, bari ngareureuhkeun capé di-
hariringan ku angin nu ririh, dialokan
récétna sora manuk dina tatangkalan sisi
sawah.AmbujeungAbahmahtaraayapoé
kaliwat, mun geus mangsana taya pa-
gawéan, naon wé dicabak di sawah téh
pulak pelak pepelakan, bibinihan dirin-
tahkeun kana hunyur deukeut saung
atawasapanjang galengan.Atuhsaméméh
paré rampak ogé, dina hunyur jeung
sapanjang galéngan raweuy dituturusan:
buah roay meuhpeuy sapanjang areuyna,
paria rantuy sapanjang tuturus, céngék
keur sumedeng tumoké, jeung kacang
panjang ngararumbay, istuning raweuy
alaeun reumbay alaeun téh lain kacapan-
gan wungkul. Mun réngsé maturan Abah
dahar, Ambu sok putak-petik diwadahan
kana ayakan, tuluy nguprek deui di dapur
nyayagikeun keur Abah ngawadang beu-
rang.
Tas solat duhur Abah turun deui ka
sawah, tampolana mah solat asar ogé sok
ngahaja di saung. Harita mah dipapantes,
naon resepna, naon ni’matna hantem
kekeceprekandisawah?Horéngkakaraki-
wari karasa ni’matna ku sorangan. Emh,
ni’mat pisan nyeueung cai anu léb-léban
naék tina bendungan susukan, terus
ngarayapnyaiansakabéhkotakan.Kacipta
paré anu karék lilir ogé bungaheun lan-
taran keur merlukeun pisan cai ulah tepi
ka kasaatan. Naon-naon anu dirasakeun
harita, moal béda, malahan mungkin
leuwih sakumaha anu dirasakeun ku Abah
baheula.
Ras deui ka Abah, paingan atuh Abah
baheula, sapopoéna téh teu weléh ngoprék
di sawah. Papagonna ogé tukang tani pi-
tuin mah hirupna di sawah, usum macul
ngalongok sawah meunang macul, ngalo-
ngok tanduraneun, geus ditanduran nga-
longok rambéteun; terus dilongokan tepi
ka mangsana sawah pibuateun jeung pa-
culeun deui. Sakali-kalieun Abah sok ra-
jeun melak lauk, utamana mun usum taun
kali lain morékat, bari nungguan binih
dibabutan, lauk tina ukuran ngebul téh
geus sagedé indung leungeun, satengah
bulan deui gé bisa kaala tilu ramoan.
Sawah meunang nganglér ririakan katojo
layung soré, lauk tingsiriwik mun diawu-
ran huut. Kiwari tapak lacak Abah diterus-
keun ku kuring, sabab Abah jeung Ambu
mah ngan kari panineunganana.***
Tapak Lacak Abah
Ku Endan Sukanda
30
PPanineungan