Successfully reported this slideshow.
We use your LinkedIn profile and activity data to personalize ads and to show you more relevant ads. You can change your ad preferences anytime.
N
u mariang ka senayan, nyorang dua jalan, ngaliwtan
partey pulitik, jeung pribadi. Nu disebut mimiti
wawkil partey, nu ka...
BAHASAN
Budaya Sunda
Deddy Mizwar
........................................................... 8
PURIDING PURINGKAK
Minyak ...
Témpé
H
arita soal daging. Ayeuna
perkara témpé. Na naon
waé atuh anu diurus ku
Mentri Pertanian téh? Cenah éta ari
témpé ...
Ulah Sieun Nyarios
Sunda
Sampurasun!
Ieu surat ngahaja
dikirimkeun ka Ais
Pangampih Mangle, lan-
taran etang-etang ngiring...
M
ÉMANG kudu neugtreug ari
boga kahayangmah. Komo ieu
sasat geus jadi tékad. Kudu di-
ihtiaran satékah polah malar kahayan...
6 Manglé 2442
Di antarana kagiatan DPD-RI. Ti daérah bajuang keur nasional
P
ilihan umum, ukur wilangan
bubulanana deui. P...
Konstitusi (MK). Harita MK ngaliwa-
tan putusan Nomor 92/PUU-X/2012
malikkeun deui wewenang Dewan
Perwakilan Daerah (DPD) ...
Manglé 2442
Panganteur
Lamun ngaguar budaya geus pasti sok ngahudangkeun “emosi”
dina tiap diri manusa. Budaya raket pisan...
Manglé 2442 9
ginal. Lamun budaya global boga sifat universal, maka nu marginal
mah nu lokal. Lamun budaya global sifatna ...
10 Manglé 2442
Bagian
173
I
sukna saperti luyu
jeung jangji ka nu
ngajaraga, indung
Marwazan datang deui
jeung anakna. Teu...
Manglé 2442 11
kalakuan putri anu
tampikan.
Poe isukna, éta pa-
muda indit deui ka tem-
pat séjén. Ngarereb di
kota nu béd...
12 Manglé 2442
B
ubuden Nyi Rapiah
nyanghareupan
Aom téh bangun nu
senang pisan. Sabot salaki
leleson Nyi Rapiah nye-
lang...
Manglé 2442 13
“jeung rasiah anjeun di
kantor bab ngabasilatkeun
duit kopi jeung ladang kai
nagara ku kuring
dipupulihkeun...
A
lhmadulillah urang sadayana
parantos lebet deui kana
bulan Dzulqo’dah atanapi
saur urang kidul mah bulan Hapit.
Hartosna...
haji mabrur tapi teu tiasa sodaqoh,
infak atanapi wakaf. Badé kumaha
mabrurna upami mulih ka
kulawargana haténa masih kéné...
Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS
Ciri-Ciri Haji Mabrur...
R
upa-rupa pacogrégan, papa-
séaan, jeung silihsalahkeun
nembrak dimana-mana.Nujadi
lantaranana, loba pisan nu ngarasa ju-...
18 Manglé 2442
T
eu karasa geus
taun kaopat
Surya ngum-
bara di Kota
Bandung,
nyuprih élmu di paguron
luhur. Sakeudeung de...
Manglé 2442 19
liah gedé!”
“Bari jeung ladang lélé-
tak ka dosén nilai gedéna
téh!” jawab Hedi dibare-
ngan seuri ngabarak...
20 Manglé 2442
W
anci geus
ngaga-
yuh ka
tengah
peuting.
Jarum jam geus nuduh-
keun tabuh 12 kurang
saparapat. Kaayaan peu...
Manglé 2442 21
balageur, osok daraék méré
sacara pribadi, boh ka Sat-
pam boh ka Tukang Sam-
pah, minangka keur nam
bah-na...
22 Manglé 2442
J
ali, inditna Salasa
wanci rumang-
sang. Sakumaha
biasa rék iang
domba. Mobil
dolakna geus dihaneutan,
sar...
Manglé 2442 23
bréngkeun deui. Lebah
puhu leungeun aya pulas
coklat pias, kalakay kitu?
Témbong ngoléab katun-
dung angin....
24 Manglé 2442
T
i bubudak ku-
ring resep
kana botol
atawa plés.
Teuing
kumaha mimitina.
Kawasna,mun teu
salah, keur umur
...
Manglé 2442 25
Mubak-mabuk maké
botol inuman keras nu
geus dipeupeuskeun. Siri-
lik ka ditu. Sirilik ka dieu.
Bru, bru, ja...
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Mitra Sunda - Mangle 2442
Upcoming SlideShare
Loading in …5
×

Mitra Sunda - Mangle 2442

11,898 views

Published on

  • Be the first to comment

Mitra Sunda - Mangle 2442

  1. 1. N u mariang ka senayan, nyorang dua jalan, ngaliwtan partey pulitik, jeung pribadi. Nu disebut mimiti wawkil partey, nu kadua mah ngawakilan daérah. Pamiangan ti dua tempat anu béda, mawa pancén anu béda. Upama anggota legislatif ngutamakeun kapentingan parteyna, Dewan Perwakilan Daerah (DPD) mah teu kitu. Nu diembanna gé kapentingan masarakat nu tumali jeung daérahna. Kalungguhan kawas kitu, penting pisan, lantaran kamajuan daérah moal leupas tina pakarepan pusat dina ngokolakeun daérahna. Kalungguhan wawakil daérah, puguh rengkolna dina un- dang-undang. Pancén jeung peranna, sarua jeung anggota dewan. Kitu téh, sanggeus aya putusan Mahkamah Konstu- tusi nu nempatkeun DPD sarua jeung DPR. Alhasil, pungsi DPD gé saraua jeung DPR, ngan nu béda téh lebh rohang lingkup pancén gawéna, da DPD mah neueul kana kapenti- ngan daérah. Ajén-inajén daérah bakal gumantung ka wawakil rahayat pangpangna mah anggota DPD. Ku lantaran kitu, ajén- ina- jén éta anggota senat téh, sawadina nu panghadé ti antara calon nu makalangan. Tangtu, milih opat tina sajumlah calon nu aya, teu gampang da masing-masing kandidat gé boga kaunggulan jeung kalemahan masing-masing. Wawakil daérah ti Jawa Barat, dina émprona mah bakal padungdung gagasan jeung kamampuhan di tingkat nasio- nal. Di dinya, di gedong wawakil rahayat di Senayan, parawakil rahayat Jawa Barat téh bakal nyorakeun kapenti- ngan masarakat daérahna. Hartina, miangna ka gedong dewan téh kudu masagi, apal kana pasualan masarakat ogé apal ngungkulanana, sarta bisa ngayakinkeun para anggota kongrés jeung senat sejenna, yén nu disorakeun ku éta wawakil téh payus digugu jeung dilaksanakeun. Tumali jeung ajen DPD, ahirna mah gumantun g ka nu milihna. Hadé- goréngna nu baris makalangan di Senayan, gumantung kana sora rahayat nu milihna. Nya ku lantaran kitu, ngimeutan calon gé kudu gemet. Nu milih kudu apal bener-bener nu rék dipilihna, boh paripolahna, catetan pri- badi nu tumali jeung ajén moralna, ogé kamampuhanana keur nempatan jabatan nu kawas kitu. Da, mun salah milih, balukarna gé bakal meubeut-meulit ka balaréa. *** Antara Kapentingan Partey jeung Daerah 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. BAHASAN Budaya Sunda Deddy Mizwar ........................................................... 8 PURIDING PURINGKAK Minyak Mayit H.Usép Romli HM .......................... 24 Anugerah Rumawat Padjadajaran Pangrojong Geusan Nanjeurkeun Kasundaan ...................................... 44 IMPLIK-IMPLIK Pancen Wartawan Butuh Panangtayungan ......................................................... 46 SAJAK Jentréng Ari Andriansyah .............................. 48 CARITA PONDOK Drop Out Sandi S.S. ......................................... 18 Dolak Imas Rohilah ..................................... 20 Ukur Bebegig Agus B. Irawan ................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 29 Mangle Rumaja .................................. 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (173) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (12) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Taufik & Fuji 5 LAPORAN Kapentingan Daérah Ulah Eléh ku Pulitik Potret:Reisyan Jali, inditna Salasa wanci rumangsang. Sakumaha biasa rék iang domba. Mobil dolakna geus dihaneutan, sarua jeung beuteungna nu geus ti isuk mula dihaneutan kopi, sasarap samistina. "Mangkat," cenah ka Umi, pamajikan- ana. "Enya," teu dituturkeun ieuh bujur dolak téh ku Umi, puguh kagok keur di jam- ban, kareungeueun ari gerungna mah..... 20 Dolak Panata Rias & Raksukan: ZIQHAA by Intan wedding package Jl. Srimahi Dalam No. 10 Bandung Ph. (022) 70071037 Hp. 081221342088 Hp. 087722811977
  3. 3. Témpé H arita soal daging. Ayeuna perkara témpé. Na naon waé atuh anu diurus ku Mentri Pertanian téh? Cenah éta ari témpé mah patalina jeung kadelé. Ari kadelé pan lolobana meunang ngimpor. Éta mah urusan Mentri Perdagangan. Ari Mentri Perdaga- ngan ayeuna apan keur maju milu konvénsi calon presidén nu di- ayakeun ku Partéy Démokrat. Ari miluna ka dinya téh lantaran di- ondang ku SBY. Ari SBY téh nya presidén ongkoh nya Ketua Pem- bina PD ongkoh. Nu ngaranna mentri diondang ku presidén pira- ku teu agul. Cul kana gawé? Ih teu pisan-pisan. Cacak mun teu diondang mah meureun moal ka ditu ka dieu. Bakal jongjon wé ngurus impor kadelé. Mun diurusna bener moal nepi ka nu nyarieun tahu-témpé nepi ka kudu mogok lantaran harega kadelé apung-apungan. Lamun teu mogok meureun tukang tahu-témpé nu aya di Bandung moal nepi ka rugi Rp1,2 milyar sapoéna. Mangkaning mogokna téh tilu poé. Tilu kali Rp 1,2 milyar. Leuh asa dilelebar nya. Naha jadi pabeulit kitu nya? Apan Abraham Samad nepi ka pok pisan dina forum rakernas PDIP. Karunya ka rayat Indonésia cenah. Nu pajar impor téh bohong. Lebah mana bohongna? Naha impor kadelé gé kaasup anu bo- hong? Tacan aya anu kahatéan nyusud tapakna. Ngan lamun pan- tar Ketua KPK baé ngomongna geus kitu, kumaha atuh nagara urang téh nu sabenerna? Mun teu salah asa rada mindeng kacaturkeun aya pejabat anu merkarakeun kahormatanana kalawan alesan merasa dicemarkan nama baiknya. Ari ieu, ku omongan Abraham Samad kitu tacan kadéngé aya pejabat anu ngarasa dicemarkan nama baiknya sarta ngagugat Ketua KPK ka pulisi. Padahal lamum impor disebut bo- hong geus jelas saha pejabatna. Ceuk Gita Wiryawan, Mentri Perdagangan téa, cenah stok kadelé di urang téh cukup nepi ka bulan Oktober. Bet asa kalah beuki paba- liut. Lamun cukup naha atuh haregana diantep sina terus nérékél. Heug wéh tukang tahu teu sanggupeun. Kudu sabaraha ngajualna? Tina kamari urusan daging sapi baé apan nepi ka mulan-malén angger teu puguh bulé hideungna. Cenah enya perkarana dijagrag- keun ka pangadilan. Tapi anu nem- brak téh apan kalah urusan duit milyar-milyar anu dipaké monyah- monyah ngolo-ngolo nu gareulis jeung barekén. Ari urusan kumaha ngacona impor daging sapina mah nepi ka ayeuna gé tacan kabuka. Meureun urusan kadelé gé engkéna kana moal jauh ti kitu. Komo deui beuki nyantek kana nu ngaranna taun pulitik. Mani geus hareudang ti ayeuna kénéh apan nyanghareupan taun 2014 téh. Boro-boro ngurus témpé, da saréréa museurna ka ditu. Mangkaning aya mentri jeung pajabat tinggi séjénna anu hayang nyaprés. Ari SBY ngan semet ngedalkeun pajar mentri kudu kon- séntrasi kana tugasna. Rék konsén- trasi kumaha da lelembutanana ogé geus aya di mana boa. Kuduna tandeskeun wé atuh. Sing saha anu aya karep arék nyaprés, mundur. Tapi rék bisa tandes kumaha apan PDna sorangan anu ngahatéan su- paya sababaraha mentri milu kana konvénsi. Beuki teu puguh bandunganeu- nana gawé pamaréntahan SBY dina arék namatkeun jabatan nu kadua- na téh. Geura wé keur ramé-ramé urusan mahalna kadelé ari staf kapresidénan kalah nabeuh niat hayang mindahkeun ibukota. Di urang mah mémang geus biasa lamun aya urusan penting anu patalina jeung pangabutuh rayat sok diantep disina leungit sorangan. Soal BLSM upamana. Apan awalna mah éta program téh sasatna diandelkeun pisan, lan- taran jadi salasahiji alesan anu pangpentingna dina arék mutus- keun naékna harega prémium. Tapi ayeuna geus loba béjana pajar BLSM téh pabeulit. Malah loba anu henteu dicokot. Geus kitu téh kalah diantep wé. Padahal lamun henteu dicokot anggaranana téh kudu dipulang- keun deui ka nagara. Ari mulang- keun anggaran apan lain perkara saderhana. Lamun teu dipulang- keun, dikamanakeun atuh? Kumaha lamun dipéngkolkeun wé dipaké nyubsidi harega kadelé? Ih, nya teu bisa atuh. Kuriak engké bakal dikapékakeun! AM Manglé 2442 3
  4. 4. Ulah Sieun Nyarios Sunda Sampurasun! Ieu surat ngahaja dikirimkeun ka Ais Pangampih Mangle, lan- taran etang-etang ngiring mapagahan ka babaturan sim kuring, nu aya di tapel wates antara Bogor Jakarta. Sanajan Bogor asupna ka Jawa Barat, tapi ari palebah ngucapkeun basa mah, angger seseringna mah sok ngagunakeun basa Indonesi. Lantaran, cek babaturan, lain teu hayang ngobrol ku basa Sunda, tapi sok palaur salah nyarita. Saperti harita babaturan ngobrol jeung pa- pada urang Sunda nu asalna ti Garut. Ma’lum geus lila di Bogor, ngobrol teh sok hayang dina hiji waktu mah make basa Sunda. Malahan, sok disindiran ku urang Jawa mah, cenah ‘orang Sunda sendiri, kok malu bicara bahasanya sendiri!’. Tah, margi kitu, ieu mah tadi oge itung-itung mere sumanget bae ka babaturan nu aya di Bogor. Cek simkuring mah, ngobrol lamun saliwatan jeung babaturan make basa Sunda ulah era ulah sieun salah, lamun sieunna teh pedah aya undak usuk basa. Lantaran, cek sim kuring mah dina pikiran,; ari kitu saha nu rék ngambek lamun salah ngagunakeun undak usuk basa Sunda? Naha terus aya nu nyarékan? Da, cek simkuring mah, urusan undak usuk basa mah nor- matif pisan. Lamun baé nga- jar atawa nerangkeun nu bener, nya kudu maké undak-usuk basa nu bener, tapi ari kudu jadi hahalang nepi ka embung maké basa Sunda mah, asa teuing- teuingeun. Cek kuring mah, sok omongkeun, sok sanajan salah ngalarapkeun. Anapon engké hayang apal nu bener- na mah, meureunan tinggal diajar we ka nu bisa...! Kitu deui, ka budakna babaturan, nu cenah sok minder lamun keur arulin make basa Sunda. Cek simkuring mah, kolotna kudu bisa ngayakinkeun, yen basa Sunda mah babari, jeung dina salahna moal aya nu nyarekan. Ieu ditepikeun teh, lantaran cenah, lamun eta budak balik ti sakola, sok make basa Indonesia deui. Lantaran, cenah, babaturan ogé alimeun kanggo basa Sunda, cenah bisi salah, atawa kasar. Margi kitu, ieu mah uma- jak ka sadayana wae, utami- na mitra Mangle, obrolan sabéngbatan cara jawaban barudak,boa-boasaruajeung kolotnuminderatawapalaur lamundipagawéananamaké basa Sunda. Rupa-rupa pasualan nu aya kaitanana jeung kasieun, kapalur masarakat dina ngagunakeun basa mémang teu bisa aya nu nyalahkeun. Nu penting mah meureun ka nu terang, ulah nyarékan, ulah diéra-éra lamun ngagunakeunana salah. Ji- gana lamun aya kasadaran ti sakumna pihak, saperti gerakan ngobrol Sunda, rék urang Jawa, Padang, Batak jeung urang séjénna, aya hiji waktu “gerakan ngobrol basa Sunda”, asana mantak reueus, sanajan kacipta bakal béda-béda, aya nu kasar, aya nu lemes. Tapi keun wé, nu penting ngagunakeun basa Sunda. Sakitu. Punten surat ieu ogé bisi aya salah dina nga- gunakeun undak usuk basa, da simkuring ogé bari diajar. Wassalam Baktos, Jamaludin Habib Palabuhan Ratu Sukabumi 4 Manglé 2442 Sakumna Ais Pangampih Manglé Ngahaturkeun Nuhun ka: Rektor Universitas Padjadjaran (UNPAD) Nu parantos ngalélér Piagem Penghargaan Anugerah Budaya Rumawat Padjadjaran taun 2013 ka MAJALAH MANGLE ping 11 September 2013. Mugia éta pangajén janten tuturus léngkah Majalah Manglé dina ngiring miara sareng ngamumulé budaya Sunda. Bandung, 11 September 2013 Pupuhu Manglé, Drs. H. Oedjang Daradjatoen, M.
  5. 5. M ÉMANG kudu neugtreug ari boga kahayangmah. Komo ieu sasat geus jadi tékad. Kudu di- ihtiaran satékah polah malar kahayang téa, tékad téa, tinekanan. Ulah ngan sakadar hayang wungkul bari teu jeung ihtiarna. Kawasna moal kitu meureun sakali ieu mah. Tékad nu digedurkeun di Sabuga (20/8) basa miéling saratus taun Paguyuban Pasundan téh sawadina diperjuangkeun nepi ka hasilna. Mimitina dilisankeun ku Gupernur Jabar H. Ahmad Héryawan dina biantara sambutanana. Dina taun 2014 mah, cék gupernur harita, ayang aya urang Sunda nu jeneng jadi wakil persidén. Tuluy éta ka- hayang téh dibuleudkeun ku Ketua Umum Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi. Sarua jeung naon nu dijéntré- keun dina koran nu medal isuk-isukna. Dina biantarana, Didi Turmudzi nékad- keun yén dina taun 2014 mah kudu aya urang Sunda nu jadi wakil persidén. Tékad Didi Turmudzi TéH hartina Pguyuban Pa- sundan. Apan Didi Turmudzi téh Ktua Umumna. Beurat geus jadi tékad mah. Daék teu daék kudu diihtiaran malar tinekanan. Ihtiar téa apan kudu puguh léngkah- léngkahna. Kudu nété tarajé nincak ham- balan.Komoieutékadngajenengkeunsalah saurang urang Sunda jadi wakil persidén dinataun2014.Taun2014téhapantaundi- ayakeunana pilpés, pilihan persidén. Lumangsungna sabada pemilu, pemilihan umum, bulan April. Aya kitu urang Sunda anu jadi cawaprées, calon wakil persidén dina pilprés engké téh? Hartina, naha bakal aya kitu partéy pulitik nu nyalonkeun urang Sunda jadi cawaprés? Ari dina piprés, apan caprés jeung cawaprés téh sapakét. Dicalonkeunana ku salah sahiji partéy puli- tik, atawa gabungan ti partéy-partéy pulitik. Cék undang-undang pilprés, lamun npi kaprungnapilprés2014teudirobah,partéy nu ngabogaan hak pikeun nyalonkeun pakét caprés-cawaprés téh nyaéta partéy anu dina pemilu bisa ngahontal 20% par- lementary treshold. Hartina, partéy nu di- wakilan ku anggota legislatif di DPR-RI anu jumlahna 20% tina jumlah anggota DPR-RI, éta partéy ngabogaan hak nyalonkeun pakét caprés-cawaprés. Ku- rang ti jumlah sakitu mah kapaksa ngagabung jeung partDPR-RI, éta partéy ngabogaan hak nyalonkeun pakét caprés- cawaprés. Kurang ti jumlah sakitu mah ka- paksangagabungjeungpartéyséjénnepika jumlahsoranangahontal20%téa.Tapi,aya deui alternatif lianna. Nyaéta jumlah sora partéy nu diitung sacara nasional. Lain ukur 20%, tapi kudu ngahontal 25%. Upama jumlah sora sacara nasional nga- hontal 25%, kakara éta partéy ngabogaan hak nyalonkeun caprés-cawaprés. Teu bisa ngahontal sora sakitu mah daék teu daék kapaksa kudu koalisi jeung partéy atawa partéy-partéyliannasangkansoranasacara nasional ngahontal 25% téa. Ana kitu, nu kacida gedé kakawasaanana enggoning nangtukeuncaprésatawacawapréstéhtaya lianti partéy pulitik.Di luareunpartéy puli- tik mah éstu teu boga kakawasaan nanaon pisan. Paling unggul tukang surak, boh surak alatan panuju boh surak nyurakan anu ngandung harti teu satuju. Dipatalikeun jeung kahayang nu geus diundakkeun jadi tékad téa, nyaéta kudu aya urang Sunda jadi cawaprés dina taun 2014 nu bakal datang, atuh hambalan kahiji téh kudu ngihtiaran malar aya partéy atawa gabungan partéy nu daék nyalonkeun salah saurang urang Sunda pikeun jadi cawaprés. Upama taya hiji gé parpol anu daék nyalonkeun urang Sunda jadi cawaprés atuh lapur kahayang téh ngan ukur tinggal kahayang, tékad ngan saukur kari tékad. Padahal ari kangaraning tékad kapan wajib diihtiaran sangkan ka- hontal. Pibasaeunana téh cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang béas. Éstu lain lalawora. Karék ukur nété kana hambalan kahiji. Kacaritakeun aya wé partéy nu nyalonkeun urang Sunda jadi cawaprés. Tah hambalan nu kadua mah nyéta ngihtiaran malar urang Jawa Barat, urang Sunda hususna, daék milih pasangan caprés-cawaprés nu cawaprésna urang Sunda. Teu dipilih mah atuh lapur, ka- hayang tinggal kahayang, tékad ukur kari tékad. Kumaha lamun cawaprés urang Sunda téh disapakétkeunana jeung caprés nu teu “dipakaresep” ku urang Sunda? Naha kudu dipaksa waé sangkan urang Sunda nu ngabogaan hak-pilih téh pikeun milih pakét éta? Kacipta pihéséeunana. Tapi, meureun cék nu boga pokal téh hésé lain hartina teu bisa. Kumaha deuih lamun urang Sunda nu jadi cawaprés téh leuwih ti saurang? Nu hiji jadi pasangan si anu, nu hiji deu jadi pasa- ngan si éta? Beuki hésé deui baé sok sana- jan enya gé hésé lain hartina teu bisa. Ngan kacipta, kumaha barieukeunana urang Sunda. Mangkaning apan kahayang téh geus undak jadi tékad, nu kudu diihtiaran satékahpolah,cadumundursacongobuuk, haram ngejat satunjang béas.Ana kitu atuh kudu sapuk heula, saha urang Sunda anu merenah pikeun jadi wakil persidén. Lain nu ngan saukur merenah jadi calon wakil persidén wungkul, da ari teu dipilih mah eureun semet jadi calon wungkul. NahaurangSundatéhudagananangan saukur jadi waprés, lain prés wé sakalian? Ngukur ka kujur apan caritana mah. Jum- lah jiwa sélér bangsa Sunda téh nomer dua sabada Jawa. Ku lantaran jumlah cacah jiwana nomer dua atuh merenah upama udaganana gé cukup jadi nomer dua waé. Ngan, apan cék gupernur Ahmad Héryawan gé batur ningalina ka urang téh lain ku lantaran étnisna, tapi ku lantaran préstasina. Ana kitu mah hayu urang taréangan heula saha urang Sunda anu préstasina nyongcolang sacara nasional. Anu teu matak ngérakeun lamun diusulkeun jadi cawaprés. Geus kitu, hayu urang cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang béas.*** DI KIWARI MACA BIHARI (18) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Cadu Mundur Sacongo Buuk Haram Ngejat Satunjang Béas Manglé 2442 5
  6. 6. 6 Manglé 2442 Di antarana kagiatan DPD-RI. Ti daérah bajuang keur nasional P ilihan umum, ukur wilangan bubulanana deui. Pilihan anggota legislatif téh baris lumangsung 9 April 2014. Atuh, ma- sing-masing gé tatahar. Ti anggalna kénéh témbong rupa-rupa cara geu- san leuwih ngawanohkeun dirina ka masarakat. Di antaran pamilon nu makala- ngan, lian ti nu dicalonkeun ku partéy pulitik, aya deui nu ti daérah. Nya nu boga karep jadi wawakil daérah gé teu sirikna ngantay. Kitu téa mah, masing-masing gé boga karep jeung kahayang geusan leuwih ngamajukeun daérahna. Dina mangsa bakti 2009-2014 nu jadi anggota DPD téh, Mohammad Surya (gaganti Ginanjar Karta- sasmita nu ngundurkeun diri), Ella M. Giri Komala, Sopyan Yahya, jeung Amang Syafrudin. Nu opatan bieu ngemban tugas ngawakilan daérah Jawa Barat di tingkat nasional. Nu hayang aub milu jadi wawakil rahayat, kaasup nu boga karep jadi anggota DPD kubra di mana-mana. Najan, korsi nu diparebutkeun ku masing-masing daérah ukur opata- neun, nu daptar mah puluhan. Kasang tukang pamilon, tina rupa- rupa widang, kaasup nu saméméhna gé jadi pajabat publik. Kalungguhan DPD, mémang jadi pangirutan. Komo deui, da wewenangna gé kawas anggota Dewan Perwakilan Rakyat (DPR). Padahal, saméméhna mah, DPD téh lir wawakil rahayat nu aya ‘sahanda- paeun’ DPR lantaran ongkoh ula-ilu dina sidang tapi teu boga wewenang milu mutuskeun. Ari ayeuna, peran DPD gé sarua jeung DPR. Undak Harkat Kalungguhan DPD RI, mémang undak. Apan aya robahan katang- tuan satutas aya putusan Mahkamah Wawakil rahayat atawa wawakil daérah? Duanana gé aya! Sabagian mah utusan partéy, nu sabagian deui utusan daérah. Ngan, naon bédana mun loba manten anggota parpol parindah ka DPD? *** Kapentingan Daérah Ulah Eléh ku Pulitik
  7. 7. Konstitusi (MK). Harita MK ngaliwa- tan putusan Nomor 92/PUU-X/2012 malikkeun deui wewenang Dewan Perwakilan Daerah (DPD) nu saméméhna katalikung ku UU No. 27 Tahun 2009 ngeunaan MPR, DPR, DPD, jeung DPRD (MD3) sarta UU No. 12 Tahun 2011 ngeunaan Pembentukan Peraturan Perundang- undangan (P3). Tina sababaraha gugatan nu diajukeun DPD, 4 (opat) hal di antaran mah mangrupa poko kalungguhan jeung jati diri DPD, lembaga nagara nu pancénna diamanatkeun ku UUD 1945, saperti: 1. Wewenang DPD dina ngajukeun RUU sajajar jeung DPR sarta Presiden; 2. Wewenang DPD milu medar RUU; 3. Wewenang DPD nyaluyuan RUU; jeung 4. Wewenang ilubiungna DPD dina nyusun Prolegnas. Putusan MK téh kalayan tandes nétélakeun Pasal 102 ayat (1) huruf a, d, e, h jeung Pasal 147 UU MD3 patukang-tonggong jeung UUD 1945 sarta henteu ngabogaan kakuatan hukum anu nalikung, hartina saban RUU nu diajukeun ku DPD henteu deui ngaliwatan prosés di Badan Legislasi tapi diajén jeung ditempat- keun sajajar jeung RUU nu diaju- keun Presiden. Nilik ka dinya, kalungguhan DPD téh leuwih kuat batan saméméhna. Tiheula-heula mah ongkoh milu nga- haminan tapi teu boga kakuatan milu mutuskeun. “Kalunguhan DPD saja- jar sareng DPR RI,” ceuk Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH. MS., Koordinator Pascasarjana Universiatas Padja- djaran (Unpad), Bandung. Nurutkeun ieu Guru Besar Fisip Unpad, nilik kana wewenang jeung pancénna, DPD RI téh sawadina dieusian ku jalma-jalama pinilih ti saban propinsi. Ajén-inajén para anggota Dewan Perwakilan Daerah nu pancénna ngutamakeun daérahna, kudu bener-bener ngawasa pasualan daérah sarta engkéna bisa boga kakuatan ‘lobi’ nu dihaminan dina sidang-sidang dina mangsa mutuskeun nu tumali jeung daérah. “Janten, henteu ngan sakadar kénging pangjurung sareng kapercayaan masarakat,” pokna. Kalungguhan DPD nu dina Un- dang-undang Dasar 1945 hasil amandemen aya dina BAB VIIA , Pasal 22C jeung 22D dina mancén gawéna asup kana réngréngan Ma- jelis Permusyawaratan Rakyat (MPR), saperti nu témbrés dina BAB II, Pasan 2 jeung Pasal 3. Tumali jeung kalungguhan DPR jeung DPD, Prof. Asep mah boga nandeskeun, teu kudu aya DPD, geus wé DPR ngan dina pilihanana umum téa, lian ti aya pamilon ti partéy téh ogé ti independén atawa ti pribadi-pribadi. “Ngaranna tos wé DPR tong aya DPD, ngan engkéna aya anggota déwan nu asalna lain ti partéy pulitik aya ogé nu pribadi- pribadi. Hartosna deuih, teu kedah aya MPR,” pokna. Mémang, cenah, kahirupan kanagaraan mah aya tatapakannana anu jinek. Aturan nu leuwih jinek tetep kudu dumasar kana undang- undang anu nyampak. “Peryogi amandemén UUD Dasar kanggo ngaleungitkeun MPR,” pokna tandes. Nu kawas kitu, ceuk ieu ahli élmu pamaréntahan téh, kungsi kaalaman dina pilihan umum 1955. Harita,lian ti pamilon pilihannana ti partéy puli- tik ogé aya nu ‘perseorangan’. “Margi apan kalungguhannana pancén sareng wewenangna gé sami sapertos anggota déwan,” pokna. Mahing Pacorok Kalunguhan DPD dina Undang- undang Dasar jinek naker. Saperti nu kaunggel dina Pasad 22D. Saperti dina pasal 22D ayat 1, apan jinek Dewan Perwakilan Daerah téh bisa ngajukeun ka Dewan Perwakilan Rayat rarancang Undang-undang nu patali jeung otonomi daérah, hubu- ngan pusat jeung daérah, ngawangun jeung mekarkeun daérah, ngokola- keun sumber daya alam jeung sum- ber daya ékonomi daérah séjénna, sarta nu patali jeung pertimbangan kauangan pusat jeung daérah. “Kapentingan daérah ulah éléh ku kapentingan partéy pulitik,” pokna tandes naker. Nurutkeun Prof. Asep, nu jadi utusan daérah, kudu masagi. Lain wungkul boga kadaék jeung ka- hayang, tapi mampuh bener-bener ngawasa pasualan daérah, sarta saterusna mampuh jadi cukang lan- taran pasualan di lemburna bisa kaungkulan ku legislasi nu diusulkeunana. Malah nu teu éléh penting deuih, calon DPD-RI gé, saéna ulah nu icikibung dina partéy politik. ***(Ensa/Rudi) 7 Prof. Asep
  8. 8. Manglé 2442 Panganteur Lamun ngaguar budaya geus pasti sok ngahudangkeun “emosi” dina tiap diri manusa. Budaya raket pisan jeung identitas atawa jatidiri hiji jalma. Natanyakan kaayaan budaya ngandung harti natanyakeun jatidiri hiji jalma. Tapi sok sanajan kitu, madungdeng- keun budaya oge sok medalkeun 2 (dua) gejala, gejala romantisme jeung gejala pesimisme. Gejala romantisme bakal katara nalika nyaritakeun budaya ngan saukur sacara inward looking, ngagul-agulkeun mangsa kajayaan hiji budaya. Jeung nempatkeun budaya salaku karya adi luhung nu karamat nu sacara otomatis mampuh ngajawab tang- tangan parobahan zaman. Biasana, gejala romantisme teh sok di- reumbeuy ku mitos-mitos keur mamerkeun luhungna hiji budaya. Gejala romantisme nempatkeun kahadiran budaya lianna jadi lawan nu kudu dicuriga samalah remen diapilainkeun demi mertahankeun mitos-mitos kadigjayaan budaya sorangan. Gejala romantisme medalkeun rasa hoream diajar budaya deungeun, leuwih milih “ngaringkebmaneh” jeun teuing “kurungbatokkeun” demi ngajaga kamurnian budaya sorangan. Sebalikna, gejala pesimisme mah hiji budaya teh disanghareup- keun kana saniskara tangtangan zaman jiga nu rek ngaleungit- keun budaya sorangan. Beda jeung gejala romantisme nu ngebrehkeun wujud superioritas, gejala pesimisme mah justru ngebrehkeun sikep nu inferior. Kahadiran hiji budaya, utamana nu dianggap teu luyu jeung “arus utama (mainstream)” atawa nu sipatna lokal, ditatanyakeun relevansina. Malah saterusna diwacanakeun rek dirobah atawa diadaptasikeun pikeun ngigelan budaya-budaya lianna nu dianggap mainstream. Dua gejala eta bakal karasa pisan nalika urang medar budaya Sunda. Salaku nu ngarojong budaya sunda, tangtu urang yakin kana kaluhungan ajen-inajen budaya nu geus ngawangun jatidiri urang salaku urang Sunda. Tapi, di sisi lianna, urang ge mang- mang/cangcaya nalika ‘penampakan(bungkeuleuk)’ budaya Sunda dina kahirupan nu nyata beuki dieu beuki langka. Basa Sunda geus jarang dipake, komo aksara Sunda mah ngan saukur jadi papan ngaran jalan jeung sababaraha ngaran gedong pamarentah daerah di Jawa Barat. Boa nu bisa maca jeung paham kana aksara Sunda ge ngan kari hiji dua. Kasenian-kasenian Sunda geus kurang nu mikaresep, keur kitu teh kudu nyanghareupan komersialisasi jeung kriminalisasi sabab dianggap porno. Kasenian Sunda ngan ukur tandang dina rohangan-rohangan seremoni elitis, atawa dina pagelaran-pagelaran nu diinisiasi ku urang asing di luar negri. Urang leuwih reueus ningali bangsa deungeun diajar basa Sunda tinimang urang Sunda diajar budayana sorangan. Urang amarah nalika loba artefak budaya urang dipatenkeun, diklaim, diaku ku batur. Padahal, saacanna urang kacida agulna nalika aya urang asing diajar budaya Sunda. Padahal, boa urang ge geus tambelar teu ngawariskeun budaya Sunda ka anak-incu sabab riweuh mromosikeun ka bangsa deungeun jeung ngajadikeun kasenian salaku komoditi. Taya salahna mromosikeun budaya Sunda ka bangsa deu- ngeun, sabab hal eta cing cirining reueus kana jatidiri jeung karya bangsa sorangan. Tapi ulah nepi ka kajongjonan, ka batur diuar- uar ari ka anak incu tambelar antukna budaya sorangan bacacar. Urang teu bisa ngan saukur tumarima (apa adanya), atawa , taking for granted yen budaya urang bakal ajeg, tumuwuh, jeung mekar tanpa generasi panerus. Budaya bakal hirup salila aya nu nga- mumulena. Jeung nu pantes boga tanggung jawab pikeun ngamu- mule budaya lambang jatidiri bangsa teh taya deui iwal ti urang jeung anak-incu urang. Nu jadi patalekan gedena, kumaha carana ngamumule budaya Sunda? Dina satengahing parobahan dunia nu beuki dinamis, urang teu bisa nyingkahan alam kompetisi, kaasup nembongkeun kaunggulan diri urang. Lamun rek ngokojokeun budaya Sunda, naon nu kudu disiapkeun jeung dipilampah ku urang? Estu patalekan nu penting dijawab sangkan urang teu katalikung ku gejala romantisme jeung pesimisme nu justru jadi hahalang keur nyungsi potensi nu sabenerna dina budaya Sunda. Budaya Sunda jeung Budaya Global Urang kudu kritis kana kamekaran wacana budaya global nu keur sumebar dina jaman kiwari. Na enya aya budaya global? Atawa ngan saukur hiji budaya nu jadi “arus utama?” Bisa jadi budaya nu jadi “arus utama” teh teu salilana kudu identik jeung hiji budaya bangsa, boh nagara-nagara ‘Barat’ ( anu sacara geografis aya di wewengkon Eropah Kulon, Amerika Kaler, jeung Australia). Atawana nu asalna ti nagara-nagara ‘Timur’ (anu sacara geografis diwakilan ku nagara-nagara di Asia Timur, Asia Selatan, Asia Teng- gara, jeung Timur Tengah). Salila ieu, urang remen sok nyakompet- daunkeun budaya global jeung ajen-inajen katut prilaku nu asalna ti nagara-nagara ‘Barat’, padahal kamekaran nagara-nagara ‘Timur’ ge boga pangaruh nu gede dina jaman kiwari. Katilikna urang kudu bener-bener paham kana pamanaan budaya global atawa budaya sajagad. Produk budaya nu gede pangaruhna kana gaya hirup nyaeta sistem pangaweruh (penge- tahuan) nu ngawangun pola pikir, sikep, jeung prilaku manusa. Ku kituna, nalika urang nyaritakeun budaya global, satemenna urang keur ngaguar sistem pangaweruh nu jadi “arus utama” dina ngawangun pola pitkir, sikep, jeung prilaku manusa. Ku sabab jadi “arus utama”, sistem-sistem pangaweruh lianna dianggap mar- 8 Budaya Sunda Ku Deddy Mizwar *)
  9. 9. Manglé 2442 9 ginal. Lamun budaya global boga sifat universal, maka nu marginal mah nu lokal. Lamun budaya global sifatna modern, maka nu mar- ginal nu tradisional. Lamun budaya global sifatna rasional, maka nu marginal nu irasional. Sistem pangaweruh nu jadi “arus utama” kiwari nyaeta moder- nitas, anu nekenkeun kana rasionalitas berpikir nu dihasilkeun ku kakuatan elmu (science), canggihna teknologi, jeung kemandirian individu. Sangkan boga sikap obyektif, ajen-inajen jeung tinimba- ngan-tinimbangan irasional kudu diminimalkeun jeung disingka- han . Sakabeh hal nu teu bisa dijelaskeun ku logika jeung teu bisa dibuktikeun sacara empirik dianggap hal nu irasional teu bisa di- jadikeun dasar dina nangtukeun kaputusan. Ku asumsi seperti kitu, bisa kaimpleng pisakumahaeun nasib budaya Sunda lamun kudu aduhareupan jeung budaya / sistem pangaweruhnujadi“arusutama”tea.Ajen-inajennuteusaluyujeung “arus utama” bakal dimarginalkeun jeung konsekuensina, kudu dirobah saluyu jeung ajen-inajen nu berlaku dina “arus utama”. Tarungna antara budaya lokal, kaasup Sunda, jeung budaya global / budaya “arus utama” satemennna patelakna ngeunaan mana ajen-inajen nu pangmanfaatna keur kahirupan manusa. Tapi, kamangfaatan oge bisa kareduksi ngan ukur dina efektivitas jeung efisiensi, tanpa mikirkeun lajuninglakuna. Ku kituna, arang langka budaya arus utama ngajebak manusa sangkan bersikap pragmatis, ngan mikirkeun poe ieu. Budaya Sunda geus “meng- kritisi” sikep ieu ku babasan engke kumaha. Ieu jadi hiji bukti bu- daya Sunda boga rasionalitas nu beda jeung budaya “arus utama”. Keur budaya Sunda, nu kacida pentingna mah engke kumaha, Ku kituna aspek lajuninglaku(keberlanjutan) jadi niley nu utama salaku identitas urang Sunda, lain pragmatisme. Konsep “kemanfaatan” ge remen kareduksi kana orientasi nyiar kauntungan nu saloba-lobana tanpa mikirkeun kana balukarna. Loba produk budaya nu dijieun pikeun ngamudahkeun hirup manusa, tapi balukarna sok ngaruksak lingkungan jeung ngurangan interaksi sosial nu saterusna ngamuara kana pibahlaeun/ bencana, boh bencana alam atawana bencana sosial. Kamajuan elmu jeung teknologi, umpamana, lahir tina modernitas nu ngamudahkeun kahirupan manusa, manusa jadi boga kamampuan meruhkeun alam, digunakeun saoptimal mungkin pikeun ngaronjatkeun taraf hirupna, tapi geus ngabalukarkeun manusa kacabut tina lingkunganna. Manusa modern nyaeta manusa nu nunggelis, kasepian, nu autis, jeung kapaksa neang hiburan di dunia maya. Eksploitasi sumber-sumber daya alam salaku konsekuensi tina kamekaranan elmu jeung teknologi ge sacara ekonomi geus mawa mangfaat nu gede pikeun manusa, tapi hadirna bencana ge jadi bukti gagalna elmu dina meruhkeun kawasana alam. Kondisi-kondisi paradoks nu lahir tina budaya modernitas sabenerna ngelingan urang yen naon rupa nu jadi arus utama dina mangsa kiwari teu sakabehna bener. Ieu jadi lolongkrang keur ngaronjatkeun budaya lokal salaku alternatif tina “kungkungan” budaya modernitas nu salila ieu nangtukeun cara hirup urang. Ngamerdekakeun Budaya Sunda Terus, naha urang kudu sagancangna ninggalkeun modernitas? Tangtu wae henteu. Filosofi kahirupan dina budaya Sunda geus ngajarkeun yen alam teh aya alam makro (makrokosmos) jeung alam mikro (mikrokosmos). Dua alam nu teu patukangtonggong, tapi silih lengkepan tina sagala kakuranganana sewang-sewangan. Kahirupan bakal harmonis lamun manusa mampuh ngajaga ka- saimbangan dua alam ieu . Falsafahna, orang ge bisa nyoba-nyoba ngadumaniskeun budaya “arus utama” jeung budaya Sunda. Nalika arus utama cumarita ngeunaan hal-hal makro, tah budaya Sunda mah bisa ngabeungharan alam mikro urang. Modernitas ngamilik kakurangan nu utama (mendasar) sabab geus nyabut manusa tina kamanusaanana. Ku kituna, urang kudu ngajadikeun budaya Sunda jadi ‘ubar’ pikeun nyageurkeun deui ka- manusaan urang. Budaya Sunda lain keur diaduregengkeun jeung budaya arus utama, sumawonna disasaruakeun jeung budaya arus utama. Lamun ieu kajadian, mangka saestuna urang hayang jadi patalukan budaya arus utama. Ku hayangna dianggap modern nepi ka iklas dijajah ku sistem modernitas anu justru nyapirakeun kaayaan urang. Alternatifna, budaya Sunda justru kudu mertahankeun ajen- inajen nu geus aya. Anu kudu diadaptasikeun “penerjemahan” atawa “praksis” niley-niley ieu dina kahirupan sapopoe. Patokan- ana nyaeta kamanusaan, alhasil urang bisa nangtukeun ajen-ina- jen mana nu relevan keur ngagedurkeun deui rasa kanyaah urang ka alam jeung sasama. Nyukcruk ajen-inajen budaya Sunda ulah ngan saukur ngumpulkeun uga, pantun,puisi lisan, naskah kuna, atawa kaari- fan lokal lianna. Tapi nu utama kudu faham kana konteks disatuka- ngeun lahirna niley-niley, alhasil relevansina bisa dipake tuduh jalan dina jaman kiwari. Modal sosial nyaeta konsep modern nu bagalna/intina diwangun ku sauyunan jeung kapercayaan. Bandingkan jeung konsep silih asih, silih asah, dan silih asuh nu aya dina budaya Sunda. Tapi kunaon urang bet leuwih percaya kana konsep modal sosial? Sabab geus mere resep tatacara mrak- tekeun kebersamaan jeung kapercayaan dina interaksi sosial. Sabenerna loba pisan kaarifan lokal nu relevan jeung konteks mangsa kiwari, tapi gagal dimangfaatkeun sabab urang tambelar ngaaktualisasikeun praksisna. Tilu wujud budaya, wujud salaku ide, wujud salaku sistem, jeung wujud fisik gumulung jadi patokan keur ngaoperasionalisasi- keun ajen-inajen budaya Sunda dina konteks mangsa kiwari. Niley- niley eta teu ngan ukur ngawujud salaku ide, tapi oge jadi sistem nu komprehensif, malah jadi alat nu bisa dipake tuduh jalan pri- laku manusa. Upaya ngaoperasionalkeun ajen-inajen budaya Sunda geus pasti pagilinggisik jeung niley-niley budaya lianna, kaaasup nu asalna tina budaya arus utama. Nya di dieu urang kudu arif wijak- sana dina milih ajen nu hade keur ngarojong budaya Sunda. Jadi ulah budaya Sunda nu dirobah nurutan budaya deungeun, tapi niley-niley atawa mekanisme nu relevan dihijikeun pikeun nguatan budaya Sunda. Ayana elmu jeung teknologi salaku produk moder- nitas, umpamana, tangtu gede mangfaatna keur numuwuh- mekarkeun budaya Sunda, atuh ajen-inajen budaya Sunda ge bakal loba nu nyuprih. NgamerdekakeunbudayaSundaogengandunghartimukaakses salega-legana sangkan budaya Sunda dipikawanoh, disuprih, di- pahaman, jeung dilarapkeun. Dina era demokrasi kiwari, budaya Sunda sakuduna hirup jeung bebas pikeun ngawangun deui identitasna nugeussawatarataunlilanakatalikungkurezimotoriter jeung sentralistik. Paguneman jeung rupa-rupa golongan kudu di- gedurkeun deui pikeun narjamahkeun budaya Sunda kana praktik- praktik sapopoena. Mangfaat ajen-inajen budaya Sunda bakal jauh tina pragmatisme lamun dimekarkeun ku sumnget dialogis. Taun 2010 kungsi diayakeun Dialog Sunda jeung Dialog Jawa Barat nu ngahasilkeun skenario-skenario mangsa hareup Jawa Barat. Ieu jadi bukti yen ajen-inajen budaya Sunda bisa dioperasionalkeun kana strategi kawijakan keur ngajawab tangtan- gan zaman. Forum-forum dialogis model kieu perlu digedurkeun sangkan budaya Sunda tetep kamumule jeung kaala mangfaatna dina kahirupan kiwari jeung jaga. Hal nu utama dina ngamerdekakeun budaya Sunda, urang kudu boga rasa hariwang yen budaya Sunda bakal tumpur lamun taya nu merjuangkeunana. Budaya teh produk manusa, kahadiranana ditangtukeun ku manusa nu jadi pangrojongna. Ku kituna, ngamerdekakeun budaya Sunda teh ngandung harti ngabebaskeun urang Sunda dina “memaknai ulang” jeung “mere- vitalisasi” ajen-inajen budaya Sunda saluyu jeung kabutuhan. *** *) Panulis, Wakil Gubernur Jawa Barat. Tulisan ieu mang- rupa bahan kuliah umum pikeun Mahasiswa anyar S1 jeung Pascasarjana Fakultas Ilmu Budaya Unpad 2013
  10. 10. 10 Manglé 2442 Bagian 173 I sukna saperti luyu jeung jangji ka nu ngajaraga, indung Marwazan datang deui jeung anakna. Teu loba tatanya dina panto ger- bang gé, kari sup wé asup ka rohangan saterusna. Kitu jeung kitu, nu ahirna bisa nepi ka rongan Putri Budur kalayan taya gang- guan. “Gancang atuh arandika asup, tapi ulah lila!” ceuk nu ngajaga. Blus Marwajan asup ka eta rohangan. Haténa nyeblak, ningali kaayaan dulurna nu saperti kitu. Buukna ruwag-rewig kalayan beungeut haropak. Ngan, angger kageulisan éta putri mah teu leungit. “Sampurasun!” “Rampés!” ceuk Putri Budur. Dua sadulur pasing- hareup-singahareup. Silih rangkul bakating ku sono. Saterusna, putri nyarita, nanyakeun anggapan dulurna ka dirina. “Naha anjeun gé nganggap kaula siwah?” “Teu pisan-pisan. Ceuk pikir kuring anjeun séhat. Tapi, anjeun kagegeringan ku katres- na.” Peuting kaganti ku beurang. Hartina, Syahrazad kudu mungkas heula caritana, sarta jangji rék diteruskeun peuting engkéna. Peuting ka-196 Saperti biasa, sanggeus diidinan ku raja, putri nu pinter ngado- ngeng téh neruskeun lalakonna. Masih kénéh nyaritakeun dua sobat nu keur silihkedalkeun ka- sono. “Kumaha pangna an- jeun dianggap siwah?” Pok Putri Budur nyaritakeun sagala rupa nu kungsi kaalamanana. Mémang, cenah, matak teu kaharti ku nu séjén mah. Tapi, da kitu kanyatanana, dirina mah ngalaman pisan. Ngadéngé caritaan dulurna kitu, Marwazan mémang ngarasa héran. Gilig dina haténa, hayang mantuan néangan cara ngungkulanana. Ceuk pikirna, dulurna, bener- bener sehat. Da, kitu sotéh ukur kagegeringan ku lalaki nu teuing di mana ayana. Marwazan téh pamuda nu loba luang. Tina lalampahanana ngalalana, remen papanggih jeung rupa-rupa jalma nu boga rupa-rupa élmu panga- weruh. Ku lantaran kitu, sipat-sipatna gé tara getas harupateun, tara gereges- gedebug nyieun putusan. “Najan ieu pasualan teu gampang, kula rék satekah polah néangan pi- ubareun anjeun,” pokna ka Putri Budur. “Nya sukur atuh ari kitu mah. Hartina, andika nganggap kula waras,”pokna. Sanggeus réngsé kaperluan, nu nyemah amitan. Cara waktu datang wé, baralikna deui téh rerencepan. Ku cara kitu, datangna kulawarga Marwazan gé teu kanya- hoan ku pihak raja. Poe isukna, Marwazan téh amitan ka indungna seja néangan piubareun putri téa. Indungna gé ngajurung pisan lantaran kanyaah ka anakna, sarua wé jeung kanyaah ka putri téa. Kalayan mawa bekel sacukupna, éta pamuda ngalalana ka saban kota. Tujuanana, néangan ubar. Nya tangtu wé ubar lahir- ubar batin, nu sakira- kirana bisa mulihkeun deui kaséhatan putri téa. Beja téh mémang nerekab. Kaayaan Putri Budur gé horéng ka- émpér-émpér ka jauhna. Majar cenah, putri raja nu sohor teh, ahirna mah siwah. Malum béja, sajeungkal jadi sadeupa, lantaran siwahna rupa- rupa naker. Ngan, intina mah, aya nu mangkarunyakeun, aya ogé nu nganggap bongan
  11. 11. Manglé 2442 11 kalakuan putri anu tampikan. Poe isukna, éta pa- muda indit deui ka tem- pat séjén. Ngarereb di kota nu béda jeung saméméhna. Ukur kitu, ukur ngadédéngékeun jeung ubral-obrol. Isukna, kitu deui waé, nepi ka di- itung ti indit nepi ka harita, geus manjing sa- bulan. Poé séjénna, Mar- wazan cunduk ka hiji kota. Angkanana gé rék nginep di éta kota. Kalayan teu ngahaja, manéhna ngadéngé beja, anak raja nu ngagadak siwah. Mimitna nyangkana téh nu dicaritakeun saméméhna, perkara Butri Budur téa, tapi barang dilelekan, horéng éta béja mah béda deui. Sidik nu ieu mah lain awéwé, tapi lalaki, putra raja di nagri nu béda. Leng éta pamuda ngahuleng. Timbul ka- panasaranana. Boa-boa éta béja téh aya hubungan jeung putri budur. Ku lantaran kitu, inyana téh tetelepek ka nu leuwih apal kana éta béja. Najan hésé béléké, ahirna mah cindek nu keur nanda- ngan musibah kitu téh Raja Syahraman. Ceuk béja séjén, putra raja téh ditempatkeun di hiji pulo. Atuh, ku lan- taran kitu, Marwazan gé langsung nanayakeun ngaran éta tempat. Ceuk pikirna, bakal kacida hadéna upama dirina langsung ngadatangan éta tempat sarta tepung jeung putra raja nu dianggap siwah. Peuting éta Marwazan teu bisa saré. Kituna téh nepi ka subuh. Sakalian wé teu ngrejep, da sanggeus meleték panon poé langsung muru patempatan nu biasa jadi panginditan ka pulo téa. Angkanan, rék milu bala- yar ka éta pulo. Atuh, mun taya nu balayar ka- jeun nyewa parahu sora- ngan. Satanagn aka der- maga, kasampak kapal nu rek balayan muru eta pulo. Memang teu hese rek ngadatang eta pulo teh da loba kpala nu ngangkut jalma jeung branag ti jeung ka eta pulo. Sanggeus nyorang lau- tan, geus satengahing lalampahan, kapal téh teu bisa buru-buru nepi ka pulo lantaran kapegat ku angin topan nu nga- balukarkeun lambak laun nu kacida gedéna. Atuh, kapaksa wé kapal téh nyimpang heula ka tem- pat séjén. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2442 B ubuden Nyi Rapiah nyanghareupan Aom téh bangun nu senang pisan. Sabot salaki leleson Nyi Rapiah nye- lang ka tatangga, nga- jurung néang kalipah jeung lurah kawas aya perlu pisan, sina dibéja- keun titahan Aom ambeh haripeut. Geus mandi geus sagala, Aom andekak di patengahan nyanghareu- pan cikopi lekoh, lalawuhna goréng cau karonéng. Harémpoy Nyi-Rapiah nyampeurkeun, gék hareu- peun salakina, dangdanna basajan tapi bareresih setra nambahan sari kana kageulisan. “Aya naon Piah, jiga aya picaritaeun?” cék Aom Usman rada panasaran. “Yaktos, gamparan,” cék pamajikan ka salaki, pura-pura teu wani nyebut “akang” da sasari gé sok gamparan. “Pok-pok ka dinyah!” omong Aom Usman. Nyi Rapiah: “Ti ka- pungkur abdi téh badé unjukan téa mah, nanging dikemu, inggis jaheut manah gamparan. Na- nging lami-lami teu kawawa, nya ayeuna badé waléh. Upami teu lepat mah abdi téh geureuhan gamparan nu kolot, Agan mah nu anom. Kahoyong abdi sanget-sanget supa- dos gamparan adil dina urusan ngawayuh. Sawios ari perkara bumi mah, abdi ti bumi ageung di- sééh, dilindih, nyecepo di ieu rorompok alit; saéna baé betah, komo saparan- tos ku gamparan di- tandonkeun mah ka pun bapa kana artos R 1500,- ngurung tanah sakieu legana, cékap diadegan gedong opat; tah sawios éta mah. Éta baé abdi mah urusan kilir hoyong adil; ulah ieu mah tampilana pleng dua sasih teu wartos-wartos acan. Ana rajeun sumping sakapeung sok salah-mangsa nuju mondok abdi digugubrag. Cobi ku gamparan digalih, lebah mana adilna?” Aom Usman olohok ngadéngé Nyi Rapiah ngomong kitu téh, éta jeung ku capétang deui nepi ka jiga meunang nga- palkeun. Ti iraha Nyi Rapiah bisaeun kitu? “Cing, lebah mana adilna?” cék Nyi Rapiah sakali deui, duméh Aom kalah olohok. “Ké, kélanan Piah, kami can ngarti, naha ieu téh jol-jol kieu? Asa tara- tara ti sasari. Ieu téh kumaha mimitina? Henteu manéh téh gering mah?” omong Aom Usman. Nyi Piah tetep leuleuy: “Abdi teu udur, teu mabok, teu nundutan, éstuning cageur beuleugeur, seger beleger. Sareng ulah kuma-kami, munah- manéh sapertos ka badégana baé. Apan urang téh laki-rabi. Ari nu laki- rabi téa, saharkat- samartabat, sanés tatandingan dunungan ka badéga. Cing jawab heula, adil anjeun nyandung kitu peta téh?” Sabot Aom olohok asa rék katurelengan disebut anjeun ku Nyi Piah –da biasana sok gamparan- Nyi Rapiah ngonci panto hareup, koncina dicabut, diasupkeun ka jeroeun ku- tang, bisi salakina nga- jengkat; jandela ka tukang dipeundeutan, tapi teu dikonci, teu rekep-rekep acan. Aom Usman nanya deui: “Lain kitu, Piah. Henteu Piah téh –teu nye- but manéh ayeuna mah— nyieun pucuk ti girang mah, ngarah diserahkeun ku Akang?” –ayeuna mah ngaakangkeun— “Naha maké kudu nyieun pucuk ti girang heula. Karep mah ménta talak, ménta baé terus terang, ngan moal waka ayeuna, engké baé geus waktuna. Tapi sabalikna,” cék Nyi Piah bari nyereng, “lamun anjeun wani ngaragragkeun talak ka kuring teu kalawan dipénta, ieu urusan imah ku kuring rék digugat jeung ...” Nyi Piah ngomongna ngaharéwos, { 12 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2442 13 “jeung rasiah anjeun di kantor bab ngabasilatkeun duit kopi jeung ladang kai nagara ku kuring dipupulihkeun ka bupati!” Mun enggeus mah Aom Usman meureun kawas diseureud langgir kagétna ngadéngé omongan-omo- ngan Nyi Rapiah ngambat- ngambat rasiah kantor téh. Na ti saha nyahoeunana Nyi Rapiah téh? Kagétna Aom Usman ku Nyi Rapiah dijieun kasempetan anu mustari pisan: “Ieu Aom, kuring terang yén anjeun kong- kalingkong bab kopi. Mantri Astra. Mantri Jibya, Mantri Wijatama ku anjeun diajak sapongkol, nya? Buku dicalutat-calé- tot, angka ditukar-tukeur geusan kapentingan sora- ngan! Geus kitu duit ladang kai ti leuweung Hanjawar, ti leuweung Beureum, ti leuweung Korod, piraku leuweung sakitu legana ngan meu- nang kai ukur 2000 ti- hangeun? Mémang anjeun sapongkol jeung Opsender van Der Plas!” Nyi Rapiah eureun heula ngomongna, hayang terangeun kumaha teu- rakna omonganana ka Usman. Ari Usman “Di- borondol” ngadadak kitu téh mani leuleus lesi teu aya daya, asa kabur panga- cian, duméh rasiah pagawéanana anu diuman- imen disidem dibuni-buni téh bet Nyi Rapiah nya- hoeun kabéh. Ti saha, ti mana, ku maha nyahona, saha nu pupulih? Usman mani renghap-ranjug. Tapi dasar Aom Usman, aom gé aom- buaya, sakitu dibuaya mangap téh aya kénéh baé hojahna, pokna: “Ah éta mah kabéh gé bohong, pitenah wungkul, dasar jalma sirik ka kami, aéh, ka Akang, hayangeun nyilakakeun.” Nyi Rapiah: “Lamun kami, aéh, kuring, jadi Aom, heug dipitenah deu- ngeun, moal teu didak- wahkeun tah manusa nu mitenahkeun téh. Tapi dasar anjeun enya boga dosa, teu kaduga rék ngadakwa téh, da sieun tamiang meulit ka bitis. Bener kitu? Ngan bisi an- jeun enya-enya rék mungkir, urang coba-coba bébéja ka bupati, yén an- jeun ditaruding ngagasab duit kopi jeung kai, pada- hal henteu. Keun kuring nu bébéjana mah, da ku- ring téh pamajikan anjeun nu kolot, boga hak ngabélaan salaki.” Usman digeretak kitu téh –da putusan mah leu- tik jiga gedé sotéh bané baé disimbutan ku kaménakan jeung rasa manéh boga usung-ésang tukang peupeuh, tukang teungeul— haténa kincup! Sabalikna, Nyi Rapiah anu geus ngarasa kapalang, kagok asong, teu mubadir cacampur jeung buaya- buaya pantaran Luih, Dolar, Duyéh, jeung sapapadana téh ditambah ku boga rasa: “Aing mah cacah ieuh, jelema murah, lamun meunang jadi sohor, lamun éléh teu aya rugina, doraka eukeur, di- arajenan moal, mati-mati tigubrag bari rék ngarurud ngénca-ngatuhu. Lantaran tékadna kitu, haténa jadi luas, salakina disedek nepi ka teu bisa mingé, pokna: “Ieuh Aom, béjana ngayonan buaya mah kudu ku buaya deui. Anjeun téh reueus ku kaménakan reueus boga balad tukang teunggeul. Tapi anjeun poho, yén Nyi Rapiah gé di kampung Pasar, di Nyéngsérét, di Cikakak réa barayana oah- oah, malah ... (bari mukakeun panto tukang, nyampak Si Roda, keur cinutrung, pura-pura nga- rautan bakal pérah ku ... bedog mani ngagurilap hérang bangun seukeut matak paur) ... malah, tah ténjo, baraya kuring anu kungsi ngutiplak Gan Ali paman anjeun téa. Cindek- na, bisi baé anjeun rék sadia. Ari cacah jalan kasar, garihal, kuring gé geus sadia. Ari cacah mah, Aom, diajak rusuh-ribut hayu, diajak saréh-saréséh daék!” Si Roda ngagigila, ngomong ka Nyi Rapiah bari nunjuk ka Aom Usman: “Ieu téh, Piah pérénkeun ayeuna baé jelema téh, meungpeung teu aya nu nyahoeun?” bari jung Si Roda nangtung. “Keun baé nu digantungna mah Akang ieuh, moal manéh. Akang di urus ku bapa manéh ti leuleutik, rék teu béla ayeuna iraha deui.” Aom Usman anu geus samar polah ku laga Nyi Rapiah, ayeuna nénjo jago Nyéngsérét ngalugas bedong bari kitu omong- omongna, atuh mani geus asa sahoseun. “Keun lanan Kang Roda, entong dikieu-kieu ari ka kuring teu naon-naon mah,” omong Nyi Piah. “Heug atuh,” jawab Si Roda, “éta baé Akang mah mangnyerihatékeun boga dulur dijieun cara ka pais poho ku salakina! Rasa manéh ménak, ku cacah téh ngan rék sakawenang- wenang baé!” (Si Roda ngomongna kitu téh geus meunang mapatahan Nyi Piah. Tapi nya kitu téa. Nyi Piah ge pangaturan Luih, buaya Cicéndo. (hanca)
  14. 14. A lhmadulillah urang sadayana parantos lebet deui kana bulan Dzulqo’dah atanapi saur urang kidul mah bulan Hapit. Hartosna, sakedap deui urang badé lebet kana bulan agung, bulan Dzul- hijjah. Bulanna para tamuna Alloh Swt. Lantaran dina eta bulan, para ja- maah haji ti sakuliah dunya bakal nyumponan ibadah haji. Sangkan nyumponan haji sam- purna, di urang biasana sok ngayakeun rupa-rupa kagiatan, nu diantarana ngayakeun walimatussya- far, syukuran haji. Tapi, syukuran di dieu mah béda jeung sukuran Agus- tusan atawa pertikahan nu sok di- ramé-ramé. Tapi walimatussyafar mah, muji sukur ka Gusti nu tos maparinan rejeki sareng kakiatan, mugi dina munggah ibadah haji engké aya dina panangtayungan Gusti Alloh nu Maha Suci. Sukuran mapag ibadah haji, lian ti disebat walimatussyafar, aya ogé nu nyebat Adabussyafar atanapi adab-adab badé angkat ka haji. Da, mémang nyatana, Pa Ustad atanapi ajengan biasa ngajelaskeun adab- adab ibadah haji, atanapi manasik haji téa. Mung intina, badé disebat adabussyafar atanapi walimatussya- far, sami tujuanana mah, munajat du’a ka Gusti sangkan ibadah hajina aya dina kalancaran tur kalebet haji mabrur sanes haji mardud atanapi haji mabur. Ngan, jigana, pami di- ayakeunana sateuacan nyumponan haji mah, asana leuwih cocog disebat adabussyafar baé. Tah, pami tos sumping deui, nyatana sabada ibadah haji, nembe disebat walima- tussyafar. Ngan, ilaharna di urang mah, sok jarang-jarang aya acara walimatussyafar sabada janten haji. Ieu rupina nu kedah janten emutan urang. Dina munggah haji, badé dian persiapanana atanapi dina prakna, éta sadayana gumantung kana niat- na. Innamal a'malu binniat. Sadaya- na amal perbuatan téh gumantung kana niatna. Munggah haji nu jadi syaratna manistato'a ilaihi sabila téh. Kitu téh margi dina prakna kedah nyumpon tilu perkara, cekap pésakna, pageuh paseukna ogé kiat pisikna. Bekelna, imanna ogé badanna. Ku margi kitu, geus kaciri pasti gogodana téh saperti riya, taka- bur, sombong jeung balad-baladna. Mana pantes, nu badé angkat ka haji téh pangheulana kedah diémutan tina dawuhan Alloh Swt., "Fala rofasa wala fusuuqo wala jidala fil hajji," henteu meunang pisan ngalakonan 'rafats' jeung teu meunang pisan 'fusuq', teu meunang jidal. Nu keur ngalaksanakeun ibadah haji teu meu- nang rofats, hartina jima, katut ngaluarkeun ucapan kotor atawa pa- gawéan anu aya hubunganana jeung masalah jima. Teu meunang fusuk, hartina sagala bentuk ma'siat, jeung teu meunang ngalakukeun jidal, hartina adu renyom nu nurutkeun hawa napsu lain karana keur néa- ngan bebeneran. Saha jalma nu teu kuat nandangan éta dina harti mung- gah hajina rofast jeung fusuk, jidal, nu kitu mah dalah sakadar piknik téa, disebatna ogé haji mabur, mabur tina sarat munggah haji. Margi kitu, sayaktosna urang ngé- mut deui kumaha sakedahna nyiap- keun kanggo munggah haji. Aya istilah syukuran haji, walimatussafar éta ogé gumantung kana niatna. Aya hiji katerangan nu parantos kakon- cara dina persiapan munggah haji téh, sakumaha numutkeun Imam Ghozali. Imam Ghazali (1055-1111 M), sakumaha dina kitabna "Ihya Ulumuddin" ogé nerangkeun masalah munggah haji. Dijéntrékeun pisan, adab-adab calon jamaah haji téh teu sagawayah. Diantarana waé, kudu mampuh ngalaksanakeun tobat nasuha tina sagala dosa, sanés tobat sambel atanapi tobat kaum munafik, ngénténgkeun dosa. Tobat ka saha? tobat ka Alloh ogé tobat ka papada manusa, nyuhunkeun dihampura bilih aya lampah nu teu merenah atanapi ucap nu lepat. Méméh angkat, kudu beresih saratus persén ka Alloh. Solatna, haténa, dzikirna, shodaqohna. Moal kaci lamun angkat ka haji, solatna belang betong kénéh atawa haténa musyrik kénéh. Kitu deui tobat ka manusa, ka tatanggi kedah silih hampura, moal kaci lamun badé angkat tacan ngedalkeun karumasaan ka wargi-wargi sabudeureunana tina dosa perdosa. Nu badé angkat munggah haji, kedah beresih tina harta bandana, teu gaduh hutang ogé hartana teu kapécrétan barang haram jeung dosa. Sadayana harta beresih tina cara-cara nu teu pantes, saperti ladang korupsi, ladang meres, ladang manipulasi jeung sajabana. Moal kaci jalma nu angkat ka haji, hartana, bekelna ladang korupsi, ladang meres ka tatangga. Kitu deui, hartana ogé cukup. Cukup pikeun diper- jalanana, cukup keur mekelan kula- wargana ogé cukup keur shodaqohna engké jaga upama tos kénging gelar haji. Teu sakedik, hoyong disebat haji mabrur tapi pedit, hoyong disebat Mapag Ibadah Haji Ku Hj. Rokayah 14 Manglé 2442
  15. 15. haji mabrur tapi teu tiasa sodaqoh, infak atanapi wakaf. Badé kumaha mabrurna upami mulih ka kulawargana haténa masih kénéh lo- long kana perjuangan sareng sarana ibadah. Kitu deui saur Imam Ghozali, sanaos kasabit diluhur, nu badé angkat ka haji, sateuacanan kedah nyeueurkeun sodaqoh ka jalmi fakir miskin, ogé sodaqoh kana perjua- ngan Islam, saperti kanggo masjid, sarana pendidikan Islam sareng sajabana. Dina hiji hikayat nu tos pada terang ogé, apanan dicarios- keun kumaha Alloh masihan gelar haji mabrur ka jalmi nu menting- keun sodaqoh sareng bisa tatalang ka nu butuh, ogé mekelan tatanggina kanggo nyumponan ibadah haji. Bekel sanésna, numutkeun Imam Ghozali, sateuacan angkat kedah pamitan heula sareng kulawarga, tatangga sareng jamaah sabudeureunana. Nyuhunkeun pangdua, bari ngucapkeun As- taudi'ullaha dinaka wa amanatika wa khawatima amalika. Abdi sumerah diri anging ka Alloh, kana agama amanah Alloh sareng kana ahir amalan abdi. Kanggo persiapan sanésna nu aya patalina sareng adab batiniah ibadah haji, niat sareng tujuan téh anging karana Alloh. Sanés kanggo milari nafkah atanapi kamashuran. Kitu deui masih dina batiniah, kedah mampuh ninggalkeun rafats (omo- ngan kotor jeung teu aya gunana), fusuq (masiat, ninggalkeun katoatan ka Alloh SWT), ogé jidal (siling goréngkeun). Munajat ka Gusti Dina kitab Mafatihul Jinan (konci-konci sawarga) aya unggelan du'a kanggo persiapan haji. Nu hartosna kirang langkung kieu : Kalawan asmana Alloh nu Welas Asih sareng salam hormat ka Kang- jeng Nabi Muhammad SAW sareng kulawargana. Nun Gusti, mugi Gusti masihan kurnia ka abdi dina nyum- ponan ibadah haji abdi sakumaha di- wajibkeun ka jalma-jalma nu mampuh pikeun ngalakonana. Mugi Gusti masihan bimbingan, caketkeun ka abdi dina per- jalananana, salametkeun jiwa raga abdi tina seuneu naraka. Mugi Gusti masihan anugerah dina perjalanan sareng mugi masihan kakiatan dina badan abdi sareng kulit abdi. Ya Rabbi, mugi Gusti masihan kurnia kanggo ngalaksanakeun wuquf dipayuneun Gusti. Mugi Gusti masihan limpahan kurnia. Ya Rabbi, mugi Gusti tiasa ngiangkeun abdi ka tempat haji akbar dugi ka Muzdalifah, Masy`aril Haram. Jadikeun sadaya wasilah ieu kanggo nyaketkeun abdi kana rohmat Gusti sareng jalan ka sawarga Gusti. Nu Gusti, mugi masi- han kurnia kanggo wuquf di Masy`aril Haram sareng maqam ruhani nalika wuquf di Arafah. Mugi Gusti masihan kurnia pikeun ngalaksanakeun kurban karana parentah Gusti. Ya Alloh, nalika solat Idul Adha mugi ngajadikeun abdi jalmi nu saestuna miharep rohmat Gusti, digolongkeun jalmi nu sieun kana siksa Gusti sareng jadikeun abdi nu sayaktosna jadi jalmi toat. Ya Alloh, mugi Gusti ngalebet- keun abdi ka bumi Gusti sareng kana pangampura Gusti, panyalindungan Gusti sareng Ka'bah Gusti. Golong- keun abdi ka jalmi-jalmi nu sayak- tosna dipikabutuh ka Gusti, nyuhunkeun pertolongan ka Gusti, sareng nu sumerah diri ngahajatkeun ka Gusti. Ya Alloh, mugi Gusti masihan kurnia ka abdi kana limpahan pahala saparantosna manasik haji sareng dina poe katilu welas Dzul-Hijjah. Ya Alloh nu Maha Welas Asih, mugi Gusti nampi kana manasik haji abdi sareng sadaya kana du'a abdi. Kautamaan Haji Alloh Swt. dina surat Al-Baqoroh ayat 197 parantos ngadawuh, nu kieu unggelna : Alhajju ashurum ma'lumat, paman farodo fihinnal hajja fala rofasa wala fusuuqo wala ji- dala fil hajji, wama taf'alu min khoe- rin ya'lamhullohu, watajawwaduu fainna khoerojjadit taqwaa. Wat- taquuni yaa ulil albab. Nu hartosna kirang langkung kieu : Ari usum haji téh sawatara bulan anu geus ditangtukeun. Sing saha anu keur ngalakonan ibadah haji dina bulan- bulan éta henteu meunang pisan ngalakonan 'rafats' jeung teu meu- nang pisan 'fusuq', jeung teu meu- nang paséa paheuras-heuras genggerong sabot ngalakonan ibadah haji. Jeung saniskara kahadéan anu dilampahkeun ku maranéh eta téh tanwandé kauninga ku Alloh. Jeung kudu marawa bekel, ari bekel anu panghadé-hadéna nyaéta takwa. Ku kituna maranéh kudu tarakwa, yeuh jalma-jalma anu baroga pikiran! Dina bulan Dzul Qo'dah ayeuna atanapi bulan kasawelas tina bulan Qomariah, mungguh tos janten syari'at dilaksanakeunana munggah haji. Atuh kanggo mayunan mung- gah haji, dina ieu bulan urang nyak- sian pakpikpekna persiapan jeung arangkatna para calon jamaah haji. Ku urang ogé kasakséni sinar kagumbiraan jeung pangharepan nyumirat dina raray aranjeunna. Teu aya ibadah saagung ibadah haji. Haji ngandung sarebu harti jeung sayuta hikmah. Ibadah haji mangrupa tiang kalima tina lima rukun dina Islam. Sakumna umat Islam méh yakin, réhna ibadah haji téh mangrupa syaréat nu teu tiasa dipisahkeun tina agama Islam. Kitu deui, Baetulloh, ka'bah sahiji tempat anu suci. Satiap taun ku umat Islam anu mampuh dijug-jug. Rébuan malah moal boa jutaan umat Islam ti suklakna ti siklukna jadi tamu Alloh (dhuyuful- loh) seja ngalaksanakeun ibadah haji. Kajéntrékeun dina surat al-Hajj, 27- 28, nu hartosna kieu : "Calukan umat manusa sina ibadah haji, tinangtu maranéhna bakal datang ka anjeun, boh laleumpang atawa naraék onta. Datang ti madhab papat sangkan maranéhna bisa nyakséni mangpaat anu dibikeun Alloh ka maranéhna." Di payuneun ka'bah pisan para jamaah haji jumerit neneda ka nu kawasa miharep pangampura-Na, meredih magfiroh-Na tina samudaya kasalahan. Di ka'bah ieu pisan para jamaah unjukan ka nu kagungan ka'bah (Robbul ka'bah) tina sagala karerepet hirup. Kitu deui dina rukun-rukun sanésna, sapertos dina sa'i atanapi nalika wukuf, sadaya meredih sumpingna pangampura Alloh Swt. Mudah-mudahan Haji urang sadayana kagolongkeun haji nu mabrur mabruroh. Amin. *** Manglé 2442 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS Ciri-Ciri Haji Mabrur Patarosan: Ais pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat, abdi badé tumaros anu aya patalina sareng haji mabrur. Naon hartosna nu disebat haji mabrur sareng naon anu janten ciri-cirina? Sim kuring nyuhunkeun dijelaskeun, kalayan kana penjelasanana sim kuring ngahaturkeun nuhun. Wassalam, Baehaqi Panyawangan Cileunyi Waleran: Sami-sami ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Sakumaha anu parantos ka uninga ku urang sadaya, wiréh agama Islam diwangun ku lima rukun, nyaéta syahadat, solat, zakat, saum, sareng ngajalankeun ibadah haji ka baitullah pikeun anu kawasa. Dumasar kana ieu parukunan, mangka ibadah haji mangrupa pamungkas rukun Islam. Ku kituna pikeun urang salaku umat Islam wajib ngalaksana- keunana, paling henteu kudu ngabogaan niat dina haténa kalayan miharep hayang ngalaksanakeunana, sabab sing saha baé anu tos bisa ngalaksanakeunana bari bener- bener, tinangtos bakal nambah kuat tur mantap dina kaimanana jeung kaisla- manana. Saméméh sim kuring saparakanca ngawaler patarosan sadérék di luhur, langkung ti payun badé ngadugikeun heula naon hal anu patali sareng sarat, rukun tur wajib haji, supados engké gampil dina nangtoskeun sareng ngabédakeun amalan haji anu sah (jadi hajina) sareng anu henteu sah atawa batal (henteu jadi hajina). Ari anu jadi sarat ibadah haji nyaéta: 1) Jalma Islam; 2) Dewasa (balég); 3) Séhat akalna; 4) Merdéka; 5) Kawasa (istititha’ah) dina ngalaksanakeunana. Anu dimaksud kawasa (istititha’ah) dina ngalaksanakeuna nyaéta: Séhat jasmanai rohani; Ngabogaan ongkos anu cukup pikeun bulak-balik jeung bekelna salila ngalaksanakeun ibadah haji; Aman di jalana jeung salila aya di tanah suci; Pikeun awéwé wajib dibarengan ku muhrimna, atawa ku salakina, atawa ku awéwé lianna nu dipercaya. Salajengna rukun ibadah haji nyaéta: 1) Ihrom, tegesna niat ngalaksanakeun ibadah haji atawa umroh; 2) Wukuf di Arofah; 3) Thowaf Ifadah (ngurilingan Ka’bah salila tujuh kali); 4) Sa’i, nyaéta lempang gancang bari bulak-balik antara Sofa jeung Marwa. Ngeunaan istilah “rukun” dina ibadah- ibadah salian ti ibadah haji biasana sarua jeung “wajib”, tapi dina prakna ibadah haji antara rukun jeung wajib, aya bédana nyaéta: “Rukun haji” saupama aya sala- sahijina anu henteu kalaksanakeun, mangka hajina henteu sah (batal). Sedengkeun “wajib haji” saupama aya salasahijina henteu dilaksanakeun, mangka hajina tetep sah tapi wajib dibayar ku cara meuncit sasatoan, atawa disebut “dam”. Amalan anu kaasup “wajib haji” nyaéta: 1) Ihram dikawitan ti miqot anu luyu jeung katangtuanana; 2) Wukuf di Muzdalifah dina wengian ‘Idul Adha; 3) Ngalontar Jumrotul ‘Aqabah dina poé ‘Idul Adha; 4) Ngalontar tilu jumroh (jumroh kahiji, kadua jeung anu katilu); 5) Mondok di Mina; 6) Thowaf wada’ nyaéta thowaf nalik badé ninggalkeun kota Mekah; 7) Ning- galkeun sagala perkara anu dilarang (di- haramkeun) nalika ihrom. Sedengkeun ibadah haji, saupama di- tilik tina bobotna mangka aya anu disebat “haji mabrur”, sareng aya anu disebat “haji mardud”. Sacara basa, haji mabrur hartina haji anu ditarima, maksudna nyaéta haji anu dina ngalaksanakeuna kacumponan sakabéh sarat, rukunna sareng wajibna kalawan dilaksanakeun bari dibarengan ku niat ihlas. Sedengkeun haji mardud hartina nyaéta haji anu ditolak, tegesna haji anu dina ngalaksanakeunana, henteu ihlas atawa dibarengan ku sifat riya, sanajan sakabéh sarat, rukun sareng wajibna kalakonan, sok komo saupama bari aya salasahiji tina sarat sareng rukuna anu hen- teu kalaksanakeun. Dumasar kana ieu katerangan, mangka anu disebut “haji mabrur” sajabi ti aya hubungana sareng sarat atanapi rukun haji, ditambihan ku niat sareng tujuan ngalaksanakeun ibadah haji. Cindekna perkawis haji mabrur, sanés mung sakadar sah atanapi henteu sah dina ngalaksankeunana, tapi aya hubungana sareng ajén (kualitas), tegesna dibarengan ku niat sareng tujuan anu ihlas. Sabalikna tina haji mabrur nyaéta haji mardud, hartosna bobot ibadah hajina ditolak, sok sanajan ibadah hajina sah tegesna cumpon sarat jeung rukunna. Anapon anu jadi ciri-ciri haji mabrur seueur pisan, namung sapamendak sim kuring saparakanca di antawisna nyaéta: Kahiji, manéhan ngaraos isin ku Gusti Alloh saupama ngalakukeun pagawéan-pagawé- an anu di larang Mantena kalayan teras ngajagi tur miara lahir sinareng batin pikeun taat tur patuh kana sagala rupi piwarangan-Na. Kadua, aya parobihan dina laku lampah sapopéna, nyaéta jadi leuwih hadé tibatan saméméhna. Contona, saupama saméméh ngalaksanakeun ibadah haji manéhna jarang méré mawéh tur tutu- lung, jeung henteu soméah mangka saatosna ngalaksanakeun ibadah haji jadi resep méré mawéh tur tutulung ka sasama kalwan soméah dina gaulna. Kasimpulan- ana, aya parobihan dina laku lampahna anu asalna goréng jadi hadé, anu asalna hadé jadi ningkat leuwih hadé, jeung kitu saterasna. Sajabi ti dua ciri haji mabrur anu disebutkeun di luhur, Miftah Faridl kantos ngajelaskeun dina bukuna “Safari Suci” wiréh anu jadi ciri utami haji mabrur nyaéta manéhna jadi resep ngalakukeun ibadah- ibadah sunah katut amal soléh lianna, bari ngupayakeun dirina sangkan bisa ning- galkeun pagawéan-pagawéan anu makruh tur subhat sarta pagawéan-pagawéan anu henteu mangpaat. Anu tadina henteu resep datang ka pangajian (majlis ta’lim), mangka saatosna ngalaksanakeun ibadah haji jadi resep ngahadiran pangajian. Anu tadina henteu resep ngalaksanakeun solat-solat sunat sareng saum-saum sunat, mangka saatosna ngalaksanakeun ibadah haji, manéhna jadi rajin ngalaksanakeun ibadah- ibadahna sunat, boh solatna atawa saumna, jeung pasunatan-pasunatan lianna. Sok komo anu wajib mah saperti solat, anu tadi- na belangbetong, mangka sabada ngalak- sanakeun ibadah haji jadi rajin solatna bari berjama’ah di masjid. Cindekna anu jadi ciri utama haji mabrur nyaéta ayana parobihan atawa paningkatan dina sagala rupa amal jeung polahna, boh nu aya hubunganana jeung Alloh (Hablum Minalloh), nyakitu deui amal anu hubunganana jeung papada manusa atawa jeung papada mahluk lianna (Hablum Minannas). Sedengkeun anu di- sebut haji mardud nyaéta sabalikna tina haji mabrur. Laku lampahna saméméh ngalak- sanakeun ibadah haji jeung sabadana, angger teu aya robihna, malah sabagian laku lampahna nambah goréng jeung goréng boh sifatna anu “Hablum Minalloh” atawa “Hablum Minannas”. Wallohu ‘alam. 16 Manglé 2442
  17. 17. R upa-rupa pacogrégan, papa- séaan, jeung silihsalahkeun nembrak dimana-mana.Nujadi lantaranana, loba pisan nu ngarasa ju- mawa. Kitu di antran obrolan Manglé jeung Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Guru Besar Universitas Pasundan (Unpas) Bandung. Upama loba kénéh jalma nu silih salahkeun, tangtu riributan ogé moal bisa disingkahan. Ngan, upama dijujut ka sunggapanana, pasipatan hadé jeung goréng, kapunjulan jeung kahengkeran kawaskitutéhbandanamanusa.Saperti dina kekecapan urang Sunda mun ngoméntaran jalma, di antara kekeca- panana téh, ‘mani geulis, mani som- bong,manipinter,”jeungsajabana.Tah, naha kecap ‘mani’ di dinya téh aya hubunganana jeug mani nu hartina nut- fah dina basa agama? Leupas tina aya hubungan atawa henteu, nu tétéla mah ajén-inajén manusa téh kacida raket hubunganana jeung ‘gen’ atawa sacara genetik. Tangtu wé, ‘mani’ di dinya atawa‘nutfah’téhkacidapentingnadina kamekaran manusa mah. Kitu deui tu- runanatéhkacidapentingna.Apanmun hiji jalma papanggih jeung nu séjénna, apan sok tetelepék, ari manéh anak saha? Turunan saha? “Tuh, apan jinek turunan téh penting pisan,” pokna, basa ngawangkong dina salah sahiji acara Paguyuban Pasundan. Milih Rasa Lantarandadasarnakitu,kacidapere- luna ngajaga diri téh. Da, ajén diri mah, bakal kacida gumantungna kana cara pribadi-masing-masing ngajaga dirina. “Hartina, ajén diri téh bakal gumantung kana sikep jeung paripolahna masing- masing,” ceuk ieu Guru Besar Universi- atas Pasundan (Unpas) téh. Upama ‘mani’ nu ahirna ngalimpu- dan kana jati dirina, ngéléhkeun pasi- patan hadé manusa, ahirna loba jalam nu tigebrus kana sababaraha hal nu ngaragragkeun darajat manausa. Kitu téh,balukarmanusaréanungarasapin- ter, lain pinter ngarasa. Ngarasa hébat, lain hébat ngarasa. Kitu ceuk Prof. Ali. Rarasaan nu ngawasa dirina ogé mentingkeun dirina, ngalantarankeun rupa-rupa usaha jeung tarékahna téh ngan keur kapentingan dirina. Ku lan- taran kitu, dina mangsana manusa tepung jeung jalma séjén, mangka patepungna masing-masing téh lolo- bana mah keur kapentingan pribadi masing-masing téa. Saterusna, nu gedé pangaruh jeung boga kakuatan gé angger dina émprona mah ngan men- tingkeun pribadina! “Nu kararitu, lan- taran tadi téa, loba jalma nu asa aing téa,”pokna.Geusan ngaja paripolah, urang mah boga padika jinek. Saperti kekecapan nini paraji téa. Apan, éta in- dung beurang mah, mapatahanan gé kudu merenahkeun paripolah jeung kalakuan dina tempat anu. “Margi kitu, sangkan diri bisa diriksa, atuh urang téh ulah saciwit-ciwitna lamun lain nyiwit- eunana, ulah saala-alanana lamun lain alaeunana, jeung sabangsana,” pokna. Bibit buit pacéngkadan, bisa datang tina intina pasipatan. Kasombongan jeung kajumawaan, ahirna mah mé- péhék pihak séjén lantaran dirina ngarasa pinunjul. Padahal, manuasa mah, moal aya nu pangpunjulna. Kitu ceuk ieu Prof. Ali Anwar mah. *** (RH) Manglé 2442 17 Milih Polah Nempatkeun Rasa Loba nu ngarasa bisa, lain bisa ‘ngarasa’; loba nu ngarasa pinten, lain’pinter ngarasa’. Ku lan- taran kitu, timbulna pacogregan gé jeung silih salahkeun. Ngan, kumaha atuh ngungkulanana?** Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Guru Besar Universitas Pasundan (Unpas) Bandung.
  18. 18. 18 Manglé 2442 T eu karasa geus taun kaopat Surya ngum- bara di Kota Bandung, nyuprih élmu di paguron luhur. Sakeudeung deui manéhna lulus kuliah. Engké mah dina ngaran- na ngajeblag gelar sarja- na. Salila opat taun ngum- bara, réa kajadian. Kuliah téa mah. Milu démo nga- lawan birokrat, boh di kampus boh di gedong saté. Milu Unit Kegiatan Mahasiswa (UKM) nu sakirana ngadukung keur kahirupan jaga manéhna. Ngan lebah saré peu- ting, loba ngangluhna. Manéhna mindeng mon- dok di sékré Himpunan, di kosan babaturanana, malah kungsi di tempat nu teu samistina dipaké saré. Nu penting ma- néhna bisa ngaguher. Lain embung boga kosan, tapi teu boga keur mayar séwana. Dalah keur ba- yaran kuliah gé, manéhna mah bati ngajual pakaya kolot di lembur. Matak keur nyukupan biaya hirup sapopoé mah, manéhna digawé sambi- lan jeung tulas-tulis sugan wé aya koran nga- muat karyana. Matak manéhna mah kuliah téh teu bener-bener suhud, teu cara réréana babatu- ran nu resep arulin. Tapi manéhna gé aktifna orga- nisasi. Dua poé ti kamari, Surya gawéna hulang-hu- leng. Manéhna sok nga- jentul lebah tangga, jajalaneun ka rohangan kuliah. “Ku naon euy, ditempo- tempo téh jiga nu teu ngareunah awak?” Hedi nanya. “Puguh keur loba piki- ran ieu téh, mikiran ba- yaran keur semester hareup. Mangkaning ngan tinggal dua poé deui bates bayaran téh.” “Eh, ieu mah nya, pira duit bayaran wé nepi ka ngahuleng siga nu bu- rung.” “Lain kitu, Hed! Pan manéh gé geus apal lin, ti mimiti semester hareup mah mun élat bayaran téh, Birokrat nganggap urang ngundurkeun diri. Atuh kitu mah sarua wé jeung di DO téa.” “Heueuh nya! Uing gé sok hélok malah anéh ka birokrat téh, émangna sakabéh mahasiwa jelema jegud,” omong Hedi, “Tah, hal nu kieu téh kuduna mah didemo! Urang kudu ngupaya- keun hak mahasiswa,” Hedi nuluykeun deui omonganana. “Alah manéh gé apal sorangan, mahasiswa ayeuna mah pamiki- ranana lain nu kararitu! Tapi, mikiran kumaha carana meunang nilai ku- Drop Out ku Sandi S.S
  19. 19. Manglé 2442 19 liah gedé!” “Bari jeung ladang lélé- tak ka dosén nilai gedéna téh!” jawab Hedi dibare- ngan seuri ngabarakatak. “Hayu ah, uing mah rék ka himpunan heula.” Hedi ngungkug ning- galkeun Surya nu masih ngajentul luhureun tangga. Manehna tuluy anteng ngalamun. Rék nginjeum ka saha nya ba- yaran semester hareup? Ka Si Hedi éra, geus loba teuing ditulungan ku manéhna téh. Ka barudak nu séjén pasti moal méré, da lain duit eutik-eutik bayaran SPP téh. Mun ngomong ka kolot? Sidik kolot di lembur geus teu bogaeun deui jualeun. Hasil panén kamari ogé teu kapuluk da béak ku puso. Ngan- delkeun honor tina nulis, teu bisa dihareupkeun da urang teu bisa nawar ari dimuat téh. * Poe ieu ulat beungeut Surya katémbong nguyung. Ti poé kamari gawéna hulang-huleng di himpunan, teu puguh cabak. Poé ieu geus liwat sapoé ti waktu nu ditang- tukeun pikeun bayaran. Surya ngangluh, manéh- na can bisa mayar. Poé kamari manéhna indit ka Fakultas ngénta indin pikeun penangguhan ba- yaran. Tapi, ku Fakultas kalah dititah nepungan Direktorat Bidang Kema- hasiswaan, sanajan manéhna méré argumén naha can bisa bayaran. Tapi, Fakultas keukeuh kana putusannana. Di bagian kamahasiswaan ogé sarua, teu dibéré penangguhan. Malah mun teu bisa mayar mah ménta wé surat cuti ku- liah. Nu bayaranana ngan saratus lima puluh rébu. Kalah kitu méré jawaban- ana téh. Surya beuki uleng mikir. Pipetaeun naon nu kudu dipigawe ku manéhna? Sangkan teu kudu cuti kuliah, komo nepi ka di DO mah. Sanggeus lila mikir, geu- ning euweuh deui cara séjén, manéhna kudu ngumpulkeun barudak Forum Keadilan Maha- siswa (FKM). Bener ceuk Si Hedi kudu didémo ieu mah. Soalna ieu kawija- kan teu adil jeung nga- beuratkeun pisan pikeun mahasiwa mah. Da teu saeutik nu kuliah di ieu Universitas mangrupa mahasiswa kulawaraga pas-pasan kaasup ma- néhna. Pasti réa barudak ogé nu can bayaran, kabéh pasti sapuk sapamikiran. Ngadémo réktorat pikeun ngabéla hak mahasiswa nu can bayaran. Koloyong manéhna indit ka sékré FKM. Sumanget ngage- dur, sorot panonna ca- hayaan deui. Kabeneran di sékré aya Bambang, ketua FKM, sobat deukeut manéhna ogé. Barabat manéhna nyari- takeun pamaksudanana, tuluy ngadadarkeun ogé konsép démona kumaha. Bambang satujueun pisan. Tuluy, manéhna ngeprak sakabéh anggota FKM pikeun ngumpul- keun mahasiwa. Teu sawatara lila ma- hasiwa nu can mayar duit semesteran geus nga- rumpul di sékré FKM. Mahasiswa nu rék démo téh réana nepi ka duara- tus jelema. Lain jumlah eutik-eutik nu can mala- yar SPP kuliah téh ge- uningan. “Dulur-dulur, maksud démo ayeuna téh sangkan urang dibéré panang- guhan keur bayaran. Éta tujuan utama urang, kadé ulah waka aya maksud séjén. Jeung omat ulah anarkis. Kudu tartib. Demona langsung di gedung rektorat. Urang langsung audiensi jeung Pa Rektor.” Omong Surya pertangtang. Surya, Bambang, jeung mahasiswa séjéna tuluy ngalabring ka gedung rektorat. Manéhna maraké iket beureum dina sirahna. Marawa spanduk. Marawa kertas karton jeung dus nu geus di- tarulisan, nu eusina nolak kawijakan birokrat. Aweuhanana ngahiung lir nyiruan muru sayang. Sahéng kawas odeng narajang lawan. Nepi ka gedung rek- torat, geus disampakeun satpam. Lima puluh urang satpam ngabedega lir buta. Kieu kaayaan mah geus kaerong, Pa Rektor embung dipanggi- han. Tapi mahasiswa terus ngangsrek ngadeukeutan panto gedung rektorat. Teu rempan ku satpam- satpam nu jarangkung gedé. Maranéhna tetep rék nungtut hak salaku mahasiswa. Surya mimiti orasi, manéhna nepikeun sagala unek-unek maha- siswa. Orasi dituluykeun ku Bambang. Manéhna nepikeun tuntutan maha- siswa ka rektorat. Sawaréh mahasiswa ngalakukeun aksi téa- trikal. Sora nu demo beuki sahéng, ménta au- diensi ka Pa Rektor. Tapi, Pa Rektor teu ngelol saeutik-eutik acan. Malah satpam ngahalang-halang mahasiswa. Mahasiswa beuki ngangsrek. Sora mégapun nu dipaké orasi beuki tarik aweuhanana. Sat- pam teu cicingeun. Milu ngangsrek beuki ngaha- langan mahasiswa. Dua tanaga adu regeng. Silih paksa. Maksakeun mak- sud séwang-séwangan. Lila ka lila hawa beuki nyongkab. Getih beuki nyengsreng kana sirah. Kaambek beuki nyedek. Unggal jalma beuki nara- psu. Satpam beuki nam- bahan jumlahna. Satpam beuki gangas. Beuki anarkis. Réa ma- hasiswa nu diteunggeu- lan. Mahasiswa teu ci cingeun. Sakabéh dibales. Mahasiswa beuki teu kaatur. Korlap demo teu bisa ngeureunkeun. Sora Surya, sora Bambang nu nitah eureun teu didéngé, kasilep ku sahéngna dua kubu nu kausap sétan. Adu tanaga beuki ragot. Demo beuki kacow, beuki ricuh, beuki nguwak- ngawik. Mahasiswa beuki wani. Gedung rektorat diduruk. Seuneu hurung beuki gedé. Beuki gedé. Ngaléntaban gedung rek- torat. Gedung rektorat robah jadi pirunan seu- neu. Surya ukur ngem- bang kadu. Teu gogoro wokan ngélingan deui. Manéhna kemba. Henteu lemék teu nyarék. Aya halimun na pipikiranana. Lebah juru panon beueus. Sora sitincuing asa réang na ceuli. Panon poé asa bejad saharita. Mong- kléng. Beuki meredong. Isuk jaganing géto, bakal nampa surat nu megat- keun impian manéhna. Ema, bapa, hampura.*** Lédeng, Romadon 1434H
  20. 20. 20 Manglé 2442 W anci geus ngaga- yuh ka tengah peuting. Jarum jam geus nuduh- keun tabuh 12 kurang saparapat. Kaayaan peuting sepi jempling. Hujan giri- mis ngaririncik ti isa mula. Hawa karasana tiris mani nyecep. Satpam Wawan keur diuk dina bangku di Poskamling RT 3 bari le- lenggutan nahan rasa tun- duh. Ret kana poci palastik urut wadah cikopi pamere ti Bu Haji Dadang, ukur kari gegedohna wungkul! Tadi merena teh, kira jam sapuluhan. Dianteurkeun ku Nyi Yayah, pembantuna. Merena teh jeung goreng sampeu sapiring, langsung beak direntob Satpam Wawan sabalad-balad! Kulawarga Pa Haji Dadang teh kasebut nu pangbeungharna di RT 3, tapi bageur pisan, gede per- hatianana! Unggal peuting tara towong, ka nu keur tugas jaga kaamanan teu weleh osok mere wae da- hareun atawa opieun. Kadenge sora budak ceurik ngear ti palebah imahna Pa Haji Ahmad anu deukeut ka Poskamling. In- cuna kawas mah, eukeur hareeng. Bet Satpam Wawan oge jadi ingeteun ka budakna di imah nu sarua keur hareeng. Peuting tadi, ampir sapeupeuting manehna teu bisa sare na- jan bagean pere oge, kusa- bab budakna anu leutik rewel, ngear wae teu dae- keun sare. Awakna nyebret panas. Rerep-rerep kasu- buhnakeun, kakarek daek sare. Tadi beurang, samemeh indit digawe, bu- dakna teh dibawa heula ka dokter, ditambakeun. Wawan sabalad-balad geus heubeul jadi Satpam di Komplek Perumahan “Silih Asih” teh, geus aya kana 5 taunna. Enya kase- butna SATPAM alias “Sa- tuan Pengamanan”, pedah kaayaanana di kota jeung di Komplek Perumahan. Da lamun seug di kampung mah Hansip disebutna teh, purah jaga kaamanan. Samalah kiwari mah geus teu pati “populer” sesebu- tan Satpam teh, geus di- ganti ku “Security”, kadengena oge leuwih gagah, leuwih “elit” jeung leuwih keren deuih. Satpam nu digarawe nga- jaga kaamanan di Komplek Perumahan “Silih Asih” teh kabehanana aya 12 urang. Ari di eta komplek teh aya lima RT. Jadi sa-RT-na 2 urang Satpam. Ari nu dua- an deui mah minangka keur serepna, dimana- mana aya Satpam anu teu asup kusabab keur aya ha- langan. Cara tugasna digilir, sapoé sapeuting séwang atawa 24 jam séwang. Jadi dina sapoé sapeuting téh di unggal RT ukur aya sau- rang Satpam anu jaga. Gajih Satpam di éta Kom- plek Perumahan téh teu gedé najan digarawéna pol 24 jam ogé. Kasebutna ukur tamba lumayan wungkul, tinimbang nganggur! Ari palebah dinyana mah bisa dima'lum, da puguh kom- plekna lain Komplek Elit. Pangeusina mayoritas ukur kelas menengah. Imah- imah atawa kavling- kavlingna ogé laleutik, tipeu 36 jeung tipeu 42-an. Ukur aya sababaraha urang nu kasebut atawa kaasup kelas atas téh. Imah-imahna mé- mang galedé sarta ditaring- kat. Barogaeun mobilna ogé tilu nepi ka opat siki sé- wang. Iuran warga nu dipungut ku RW pikeun kaamanan jeung kabersi- han lingkungan, mémang kaasup leutik. Numatak pantes, gajih Satpam katut Tukang Sampah teh kaasup minim ! Ngan pédah un- tungna téh warga nu kaa- sup kelas atas téa sok Ukur BebegigKu Agus B. Irawan
  21. 21. Manglé 2442 21 balageur, osok daraék méré sacara pribadi, boh ka Sat- pam boh ka Tukang Sam- pah, minangka keur nam bah-nambah gajih bulan- anna. Geus puguheun ari dina mangsana Lebaran mah, Satpam katut Tukang Sampah téh osok mareu- nang Hadiah Lebaran. Warga atawa pangeusi éta Komplek téh jumlahna lumayan loba, aya 300 Kepala Keluarga. Sa-RT-na rata-rata 60 KK. Acan deuih masih kénéh loba imah- imah nu can diareusian, sarta kavling-kavling nu karosong kénéh tacan dibangun. Kadéngé ti beu- lah wétan, ti lebah Pos RT 4 anu nakolan tihang listrik. Mun teu salah mah anu tugas jaga di RT 4 peuting ieu teh Satpam Dayat ! Kitu ceuk gerentes haténa Sat- pam Wawan. Satpam Wawan cengkat tina diukna. Tuluy nyale- tingkeun jékétna. Gap kana pepentung ruyung nu nga- golér gigireunana. Geus kitu manéh na kaluar ti Pos, nyampeurkeun kana pale- bah tihang listrik. Belen- trang-belentrang Satpam Wawan nakolan tihang listrik ku pepentung ruyung, nembalan atawa ngabalesan ka nu nakolan tihang listrik ti Pos RT 4. Hujan ngaririn- cik keneh. Jarum jam geus nuduhkeun tabuh satengah satu. Hawa karasana beuki tiris. Satpam Wawan me- relek heuay! Teu lila, kede- pruk ... kedepruk ..., kadé ngé sora sapatu bot nincak kana aspal jalan komplek. Torojol Satpam Dayat datang nyampeurkeun ka Pos RT 3. “Aya kénéh cikopina, Wan?” pokna ka Wawan. “Boro-boro! Tuh ... kari pocina!” témbal Wawan. “Naha, euweuh deui nu méré ?” ceuk Dayat deui. Wawan saukur gideug. “Sarua puguh, di RT 4 gé euweuh nu méré cai-cai acan!” ceuk Dayat bari tuluy diuk dina bangku. "Cik lah, sugan boga kénéh, arék ngénta ududna! Saya keur béakeun!” pokna deui.Wawan ngusiwel ngaluarkeun bungkusan roko tina saku jékétna, tu¬luy diasongkeun ka Dayat. “Geuning ukur kari sabatang? Kumaha atuh?” ceuk Dayat. “Keun baé lah! Urang mah engké ngagedor kiosna Kang Adin wé, susuganan méré nganjuk!” témbal Wawan. “Urang mah arék nguriling heula, Yat! Ti tatadi puguh acan ngontrol!” pokna deui ba¬ri tuluy cengkat. Kop kana batré, kop kana pepentung, tuluy kaluar. “Enya, puguhan sayah gé arék ngontrol!” walon Dayat. “Nuhun nya, rokona!” pokna deui tuluy indit. *** Jam duaan Satpam Wawan geus aya deui di Pos. Situasi dina kaayaan aman. Hujan ukur kari ngeprulna. Satpam Wawan geus teu kuateun pisan nahan tunduh. Ahirna manéhna ngagolér dina bangku di jero pos. Reup saré tibra. Isuk-isuk kira wanci jam genepan kakarék hudang. Éta gé pédah wé dipaksa di- geuingkeun, diguyah-guyah ku Deden, Satpam RT 2. “Buru hudang! Tuh didagoan ku Pa Jono, di imahna Pa Haji Dadang!” ceuk Deden. Ari Pa Jono téh Koordinator Satpam Kom- plék. “Nya aya naon kitu?" Wawan tumanya bari ru- cang-riceng kawas nu tun- duheun kénéh. "Burukeun wé tepungan ka ditu, ari hayang apal mah!” témbal Deden. Wawan ngaléos ka cai rék sibeungeut heula. Basa datang ka imahna Pa Haji Dadang nyampak loba jelema. Salian ti aya Pa Jono téh ogé aya Pa Deni ketua RT 3, Pa Ajat ketua RT 2, sarta sababaraha urang tatangga deukeut Pa Da- dang. Sat¬pam ti tiap RT anu peuting tadi giliran jaga ogé araya kabéh. Aya Pulisi deuih duaan, nu keur wara- wiri kaluar asup imahna Pa Haji Dadang. Ti Polsek kawasna mah. “Cik sing bener atuh Wan ari ngalaksanakeun tugas jaga téh, ulah kalahka saré waé! Meureunan moal kawas kieu kajadianana lamun balener mah ngalak- sanakeun tugasna!” ceuk Pa Jono bari jamotrot, bangun nu ambek kacida. “Numawi Pa, wengi ka- mari abdi téh kirang istira- hat! Kumargi kaleresan pun anak nuju harééng.” ceuk Wawan ngabéla diri. Pa Jo¬no teu nembal. Numutkeun inpormasi anu katarima, cenah peu- ting tadi imahna Pa Haji Dadang téh kapalingan. Jumlah bangsatna cenah tiluan, ditaréregos. Tilu urang pembantu nu aya di imahna Pa Haji Dadang teu bisa walakaya, kusabab ditodong, diancam sarta disekap di jero kamar. Tele- pon ogé dipegatkeun deuih. Kajadianana cenah kira-kira tabuh dua¬an. Ti tukang cenah asupna téh, ti tempat popoéan. Ari Pa Haji Da¬dang sakulawarga keur arindit ka luar kota ti kama- rina kénéh, kakarék baralik tadi Subuh. Barang-barang anu dipaling téh nu berharga wungkul, kayaning duit eujeung perhiasan, sarta barang berharga séjénna nu gampang dibawana. Ditaksir karu- gianana nepi ka puluhan juta. Sakabéh Satpam anu gili- ran tugas peuting tadi diin- terogasi ku Puiisi. Pangpangna Wawan anu loba ditalék téh, anu giliran jaga di RT 3. Teu poho Pui- isi ogé méré pangarahan- pangarahan ka para Satpam. leu kajadian téh nu kaopat kalina. Ari nu ti heula-ti heula mah ka jadi- anana teh di RT 2 jeung di RT 5. “Pokona lamun masih kénéh harayang digarawé jadi Satpam di dieu, kudu sing balener dina ngalak- sanakeun tugas téh, kudu aya rasa tanggung jawabna!” ceuk Pa Jono bari angger jamotrot, nyaritana tandes! Geus kitu mah tuluy bubar. “Keun baé euy, teu kudu diparaké haté, da wajar ieuh!” ceuk Pa Hendar, Sat- pam nu kasebut pang- kolotna sarta dipikolot ku saréréa ngahatéan. “Da ari urang mah pi- lakadar gé mun di sawah téa mah ukur bebegig, anu boga pancén purah nyingsieunan manuk! Kadang apanan manuk téh sok sieuneun ku bebegig, kadang henteu! Da masing kalah kumaha oge ari bangsat mah leuwih pin- ter ti batan urang, leuwih awas maranéhna ka urang ti batan urang ka maranéhna, sarta nyarahoeun pisan kana kalengahan urang! Ogé deuih lamun dina kapépédna maranéhna sok leuwih nekad ti batan urang. Piraku ari urang kudu nandonkeun nyawa onaman? Angger wé nu diteangan ku urang mah kasalametan!” ceuk Pa Hen- dar deui. “Tapi lain hartina urang teu tanggungjawab kana sagala tugas jeung kawa- jiban urang salaku patugas kaamanan, angger wé éta mah kudu diutamakeun! Dina ngajalankeun tugas mah tetep kudu bener, kudu serieus, kudu maksimal, kudu disiplin sarta pinuh ku rasa tanggung- jawab!” pokna deui. Ku saréréa diheueuh- an!***
  22. 22. 22 Manglé 2442 J ali, inditna Salasa wanci rumang- sang. Sakumaha biasa rék iang domba. Mobil dolakna geus dihaneutan, sarua jeung beuteungna nu geus ti isuk mula dihaneu- tan kopi, sasarap samistina. "Mangkat," cenah ka Umi, pamajikanana. "Enya," teu dituturkeun ieuh bujur dolak téh ku Umi, puguh kagok keur di jamban, kareungeueun ari gerungna mah ngadius ka tonggohkeun. "Dahar heula, Néng!" Bari mukakeun tudung saji. "Uhun, Bapa jadi ang- kat?" Bari bru seragam urut sakola kana karanjang seuseuheun. "Tulus tadi teu lila ti Enéng mangkat, Bapa nan- jak." "Narik ka mana saurna, Mah?" Bray tudung saji. "Kateuing atuh, aya nu nélépon ngadadak, Mamah gé keur di jamban." Enéng dahar, témbong caman- cémén. Teu lila cengkat kokocok. "Naha enggeus deui dahar téh? Apan aya karé- dok." Indungna melong héran. "Entos ah," cenah. Térékél kana tétécéan ka kamarna. "Ditambul atuh karé- dokna, lebar." "Moal ah." Teu eureun na tétécéan. Gék Enéng sisi ranjang di kamarna. Ceg kana tas sakola, ngaluarkeun bung- kusan plastik, eusina di- béngbréngkeun, hanca kaputan. Bahanna batik, meunang ngabatik manéhna sorangan di sakola dina pelajaran Keterampilan. Ti mimiti ngagambar corak tepi ka ngalorodna teu ieuh kaan- cloman leungeun batur, és- tuning meunang manéhna sorangan. Kitu deui sanggeus jadi kaén, dipola, digunting, dijalujur, dika- put ku manéhna sorangan. Can diobras ieuh, engké wé ceuk angkananana sanggeus bérés dijait. Pada- hal ceuk guruna, hadéna diobras heula méméh di- jait, ambéh rapih. Hanca baju pikaméjaeun dikébréngkeun deui, can anggeus bagian samléhna. Hésé pisan lebah dinya mah. "Ah, Bapa mah, mun dia- jaran ayeuna mah bisa di- hanca yeuh...," gerentesna. Enéng teu yakin, bisi salah ukur, matak hayang sina di- ajaran heula ku bapana. Goléhé kana kasur, tepi ka reupna saré. Wanci sareureuh kolot Jali can datang kénéh. Enéng hantem cilingcingcat ti tukang ka hareup, nem- poan jalan. "Engké gé uih Bapa mah, geura saré anggursi, bisi kabeurangan, pan isukan sakola," ceuk indungna. "Iang ka mana sih, lami- lami teuing?" Merengut. "Na aya perlu naon deuih, aya bayareun di sakola?" tanya indungna. Da biasana ari ngarep- ngarep bapana balik téh mun rék ménta duit keur kaperluan sakola. "Sanés, ieu kaméja sina diajaran heula, pan engké Jum’at kedah dikempel- keun. Mun telat nilaina dikirangan." "Rék ngéndong meureun, Néng, isukan wé atuh, geura saré lah, peuting." Enéng teu némbal deui. Sup ka enggon. Teu lila ditempo ku indungna, geus ngaguher, tunduh ti tadi mula tayohna. Kaméja nu can dikerahan ngalumbruk na dadana, sawaréh nutu- pan gadona. Dicokot lalau- nan ku indungna, dialak- ilik. Indungna kerung. Manuk meureun maksudna mah gambar batik téh. Cetrék ngahurungkeun lampu na méja belajar Enéng. Baju dideukeutkeun kana lampu, digalar-gilir, kakara telik ayeuna mah, jiga gambar manuk heu- lang, keur nyirorot bangun rék nyamber mangsa. Pa- matukna mani nyungcung, asa panjang teuing. Pulasna duka pédah peuting, bet anéh, cakueum kurang sari, aya beureum asem lebah bagian handapna, naon jukut kitu? Pulas asem jeung kulawu, paselup hideung. Baju dibéng- DolakCarpon Imas Rohilah
  23. 23. Manglé 2442 23 bréngkeun deui. Lebah puhu leungeun aya pulas coklat pias, kalakay kitu? Témbong ngoléab katun- dung angin. Coba mun se- lapkeun pulas bodas saules wéh, gambar méga sugan, moal cakueum teuing, ceuk pikir Umi. Ah sakieu gé pi- rang-pirang, dirina mah teu ngalaman diajar ngabatik, enya gé pirajeuneun ngaput sakadar uma-omé mun aya nu bedah kaput. Ukuran- ana pas sakieu mah keur Si Bapa, gerentesna. Kaméja ditilepan, sok na méja. Cetrék lampu belajar di- pareuman, Enéng disimbu- tan. Turugtug Umi turun. Ceg kana hapéna, mencé- tan kipéd. Kareungeu nada sambung. Tapi kunaon teu diangkat? Riweuh? Riweuh naon waktuna saré. Tara- tara ti sasari. Terektek ngetik SMS, pasti katarima elat-elat ogé macana ari SMS mah. Tuh aya laporan kakirim. Tapi kunaon taya malesan, piraku euweuh pulsa onaman, lain kabi- asaan salakina ngosong- keun pulsa hapé. Golédag kana kasur, nyo- baan panonna dipeureum- peureumkeun, teu daék peureum. Kalah rét deui ka gigireun, rét deui ka gi- gireun. Bet rarasaanana salakina aya ngabugigag di dinya. Tapi puguh gé taya. Pikir jeung rasa Umi ngu- layaban ka jauhna, ka tem- pat-tempat jeung waktu- waktu nu kungsi kalakon jeung Jali. Rupa-rupa pu- lasna. Kapeung belegbeg hideung, kapeung pias konéas, sering kayas sumi- rat. Koréjat Umi hudang, sada nu keketrok kana panto hareup, "Mah, Mah," cenah. Jam dua. Bray panto kamar, gebay ka rohang tengah, muru panto ha- reup. Hordéng dipéléngé- keun. Jempling. "Pa? Éta Bapa?" Teu waka muka konci, puguh tengah peut- ing nguwang-ngawéng. Di- tutungguan, nu gegeroan taya sorana. Taya léngkah- na, taya ketrokna. Umi ngahuleng, ngusap beung- eut bari istigfar. Gék na korsi panjang. Melong jam na témbok. Be- ungeut salakina nu teu weléh marahmay ka dirina jeung ka Enéng, terus-teru- san kokolébatan. "Bapa..." Ngusap be- ungeut deui. Kedewuk wudu, cong solat meunang sababaraha rakaat. Dua leungeunna rang- gah, mukena bagian hareup cipruk cimata. Umi ngaji, wiridan sabisa-bisa, parat tepi ka ngong adan subuh. “Mah, Bapa di masjid kénéh?" tanya Enéng bari semu lulungu. “Can datang.” Enéng ngaheunggeu, léos ka kamar indung-bapana panasaran. “Can datang,” ceuk in- dungna deui nandeskeun. Léos deui ka kamarna ceg kaméja batik hancana. Rét kana mesin jait titinggal ninina anu ngahaja dipin- dahkeun ka kamarna. "Haah..., coba mun Bapa uih, bisa dibéréskeun…, di- anggo Jum’atan Pa, saé.” Gerentesna. "Néng, geus salat subuh can?" Enéng ngagebeg, "Uhun." Turugtug turun. Isukna, Jali can datang kénéh, Hapéna pareum sama sakali ayeuna mah taya nada sambung satiri- ling-tiriling acan. Enéng mulang sakola soré pisan, cenah miluan ékskul heula. “Mah, Bapa uih?” “Acan....” Enéng ngahu- leng deui, teuteupna mimiti kosong. “Badé ka mana cenah, Mah?” Enya da tara-tara ti sasari, teu nyarita heula rék ngéndong atawa rék sumpang-simpang. “Teu nyaritakeun,” ceuk indung- na. “Télépon deui atuh, Mah, ieu pulsa Enéng seueur kénéh.” Bari mencetan kipéd hapé. Taya nada sam- bung. “Ka mana nya, Mah?” “Keunaé tong diganggu, keur usaha Bapa mah.” Ukur na lisan, sedeng haténa ngaheungheum kamelang, sangkan ulah kaeungeuheun ku anakna, sangkan anakna reugreug. “Mani teu nyarios atuh, Mah, teu SMS, teu télépon, biasana tara kitu,” Enéng ngeluk, indungna ngahin- tul. Dititah dahar, Enéng gideug, “Ké ngantosan Bapa,” cenah. Isukna deui, “Neng, sasarap heula rék sakola mah.” Gideug kénéh, “Bapa uih teu Mah?” muru kamar kolotna. “Acan, ké Mamah gé ka pasar domba rang tanya- keun ka urang pasar.” “Ka mana atuh Bapa téh, Néng pan kedah ngepaskeun kaméja, kedahna dinten ieu dikumpulkeun,” cenah. “Tingali wé atuh contona, Néng, tuh na lomari mili- han nu sering dipaké ku Bapa, éta nu genaheun.” “Aaah...” Eneng ngajang- gilek. Nanjak kana tétécéan kamarna. Kaméja batik di- ilikan sakedapan. Sakitu mah Enéng boga bakat ngagambar. "Bapa resep ngingu hayam Néng, loba hayam Bapa mah baheula keur leutik. Aya nu pangdipikameumeutna ku Bapa, Si Rendey, sabab anakna loba. Aya kana lima belasna. Si Rendey mah ngarti Néng, kawas jelema. Mun Bapa balik sakola téh sok mapagkeun, ditu- turkeun ku anak-anakna. Anéhna téh ka Bapa mah tara ngabintih, padahal anakna sok dicocoo. Paling ukur kitu wé taktrak-tuk- truk. Tah hiji mangsa Bapa keur di teras ngawadang mulang sakola. Hawa panas pisan harita téh, Bapa gé teu dibaju dahar téh, nanggeuy piring. Teu kanyahoan ujug sérépét..., heulang, Néng, Si Rendey ngan sakolépat geus di- ranggeum. Ciakna gandéng, raéng, Néng. Mun Enéng mah meureun mamah-mama- han. Gegeroan, ‘Mamah badé ka mana? Mamah badé ka mana? Mamah ngiring!’” Cikikik Enéng seuri basa bapana meta- keun dirina gegeroan ka in- dungna. Dongéng éta pisan nu napel na ingetan Enéng. Dongéng nu maujud dina gambar batik kaméja ba- pana nu can réngsé kénéh. Kaméja batik jangeun ba- pana taya kerahan dipaké nyusut cipanon. Pipi Enéng lamédong tapak pupulan batik. Cipanonna ngalém- béréh teu puguh warna, aya beureum, aya hideung, aya kulawu nyurulung mareng jeung pupulan batik. “Néng..., Néng, éling!” ceuk nu maké sorban. “Bapa, ajaran acuk…, Bapa ajaran acuk…, Bapa, acuk kéngéng Enéng, Bapa kéngéng Enéng…!” bari hantem ngasong-ngasong kaméja ka lebah layon nu geus dibungkus boéh. Ceuk katerangan pulisi, Jali kapanggih geus nyangsaya na babantar susukan handapeun tangkal loa. Pakéanana, dompétna aya dina dolakna. Konci kontak ngagagan- tung kénéh. Dolakna parkir di dinya geus aya kana dua peuting- na, dilaporkeun ka pulisi ku tukang warung nu kakara eungeuheun.*** Samoja, Sépt’13
  24. 24. 24 Manglé 2442 T i bubudak ku- ring resep kana botol atawa plés. Teuing kumaha mimitina. Kawasna,mun teu salah, keur umur genep taunan, ku nini dibéré minyak “kolonyo”. Sohorna harita mah “air mata duyung”. Pédah di dinya aya gambar lauk duyung nu sirahna jelema, sukuna lauk. Mani atoh. Lantaran seungit. Jeung éta botolna alus. Hérang ngagenclang. Ti harita,asana, sok ngumpul-ngumpul botol téh. Botol naon baé. Nu gedé nu leutik. Kaasup botol kécap “Cap Pang- gang Hayam” atawa “Cap Kingkong” nu aya tulisan “No.1”. Bet nuluy nepi ka usum kuliah. Beuki lega gaul, beuki réa botol koléksi. Jeung beuki rupa-rupa, boh wangunna, boh war- nana. Lain baé botol samodel minyak “kolo- nyo” jaman nini. Tapi deuih botol-botol minyak wangi, atawa parfum ka- mashur. Elizabéth Arden, Givenchi, Bulgari,Giorgio Armani, wah…teu kawi- lang. Kitu deui botol inu- man keras. Nu lonyod, nu gepéng, nu buleud. Réa batur tukang dang- dan, tukang maké seu- seungitan. Réa batur tukang mabok. Beuki réa koleksi botol nu kapi- banda. Dina euweuh nu méré, meuli. Atawa nukeuran ku barang naon baé. Asal botol nu dipikaresep kapimilik. Puguh bae diurus. Di- tatap diusap. Dipernah- keun dihadé-hadé. Dibélaan nyieun lomari husus. Batur mah, lomari buku. Kuring mah lomari botol. Dijadikeun bahan kaagulan ka nu sakur nu nganjang ka kontrakan. Malah kungsi aya war- tawan.Kuring diwawan- cara. Dimuat dina suratkabar. Digolong- keun ka jalma nu boga hobby anéh. Batur mah hobby ngoléksi batu ali, motor gedé, mobil antik. Kuring mah hobby ngo- léksi botol. Sok mindeng, atawa kungsi, ngalaman kaja- dian anéh lamun kuring boga koléksi botol anyar. Kawas basa karék mimiti boga botol parfum “Néfertiti”, sasiki. Nu wangunna jiga pyramid, warna biru leleb, ari ak- sara konéng emas. Najan geus kosong, barang di- buka tutupna, aya kénéh selengseng seungit angin-anginna. Tas nyeuseup eta par- fum, langsung tunduh. Reup saré, ujug-ujug ngimpi aya di hiji tempat hara-haraeun. Kuring diséréd bari didengkék ku hiji lalaki jangkung badag. Dijagragkeun ka rohangan nu pinuh ku jalma réa. Tapi tartib. Hémpak sarila nguriling di sisi-sisi témbok ro- hangan lega pisan. Di tengah-tengah, dina korsi jangkung tina emas ditarétés inten permata, anegléng hiji wanoja. Geulis kawanti-wanti. Dangdanan hurung- hérang. Lalaki nu nyéréd ku- ring, ngagorowok : “Nyembah ka Déwi Ne- fertiti !” Brek kabéh sarujud. Punduk kuring diteueul- keun tarik pisan. Nepi ka milu ngudupruk sujud. Kadéngé sora sahéng. Muji-muji Déwi Néfertiti. “Déwi Maha Agung, Déwi nu ngabagi rejeki !” Jep deui jempling. Kuring ditanggahkeun. Ngadangong handapeun korsina pisan. Ngong Déwi Néfertiti cacarita ditujulkeun ka kuring: “Sukur anjeun geus aub kumawula ka kaula ! Pék tuluykeun. Urus seuseungitan titit- nggal kula. Ayeuna an- jeun geus diaku jadi balad kaula, nu ngawasa panonpoé. Kaula semba- heun manusa !” Geus kitu mah, kuring dileupaskeun tina deng- kékan lalaki jangkung badag. Malah ditang- tungkeun. Dituyun sina nyium ramo déwi nu la- lencop tur seungit par- fum nu botolna kuring geus boga. Barang lilir, késang ngagarajag saluar awak. Rarasaan teu pararuguh. Kabur pangacian. Rét kana botol. Beuki mén- crang biru-konengna. Mancerkeun cahya éndah kabina-bina. Kungsi deuih basa an- yaran meunang botol wodka mérek “Siberia”. Keur dielapan, cocok kayu gabusna coplok. Hiek bau inuman keras. Nepi ka lenglengan. Kapiuhan. Bet terus ngimpi. Aya di tempat pésta ramé pisan. Pabuis para tamu. Pasuliwer nu darangsa. Awéwé lalaki patangkeup-tangkeup. Musik ngaguruh. Beuki tarik. Beuki motah. Pakalangan nu pejejel ku rupa-rupa jalma jeung rupa-rupa dangdanan, ujug-ujug walihweuh.Aya nu mabok ngamuk. Minyak Mayit Ku H.Usep Romli HM
  25. 25. Manglé 2442 25 Mubak-mabuk maké botol inuman keras nu geus dipeupeuskeun. Siri- lik ka ditu. Sirilik ka dieu. Bru, bru, jalma-jalma nu keuna ku seuseukeut botol rarubuh. Getih ngalukrah. Nu perlaya balatak. Tapi musik teu eureun. Nu darangsa teu eureun. Cakakak, cakakak, ti juru sora seuri tanding gelap salesér. “Hah,hah,hah…….aing geus hasil ngagubruskeun manusa. Teu pira ku inu- man keras. Nepi ka téga maehan. Nepi ka téga mi- gawe nirca…..” “AHaram jadah!”kuring eling tina katuralengan. Awak ngadégdég. Reuwas jeung sieun. Kuduna mah botol urut inuman keras kitu, dibabétkeun. Tapi henteu ieu mah. Malah tuluy dikeukeuweuk. Tur isukna gancang néangan deui. Sugan aya botol wodka mérek séjén nu wangun jeung warnana beda. Ngurus botol koléksi, sasat cul naon cul naon. Cul kana kawajiban agama. Cul kana gaul jeung jelema. Ti poé ka poe, detik,menit, jam, béak dipaké ngoprek botol. Ditatap-diusap. Diteuteup warnana. Ditingetan wangunna. Diangseu urut bau jeung seungitna. Dirarasakeun fantasi nu datang mare- ngan atawa nuturkeun sabot ngaranéh botol- botol nu geus ngaratus- ngarebu. Sugema haté, lantaran geus manggih kajinekan hirup pikeun satuhu satia kana koléksi botol. Hiji poé , torojol kapie- mang ti lembur, ngalo- ngok bari ngirim botol. Cenah, bawa ti Mekah basa munggah haji sa- watara taun ka tukang. Botol warna bodas ha- seup. Wangunna persis pocong. Labelna warna beureum getih, aksara di- parungkal paringkel jiga haseup ngelun. Unina “Ruh ar Ruh”. “Emang gé resep kana ieu botol téh. Ngan keur nanahaon galutak-gali- tuk. Ongkoh ibina jeung barudak di imah, sarie- uneun. Pajah téh botol jurig. Rék dijual ka kokompong lebar. Ras meulina ti Mekah, mahal jeung éstu kabeneran. Hihijina deui. Inget boga alo resep ngumpulkeun botol. Tah emang milu andiI. Sugan wé kapaké.” “Hatur nuhun, Mang, tangtos kaanggo pisan, ”kuring atoh. Geus emang balik, saperti sasari, tutup botol dibuka. Diambeuan. Se- leksek…..hiek……enya we bau mayit. Baru sirara. Leng kuring katurale- ngan, kawas basa tas ngambeuan botol parfum “Nefertiti” jeung wodka “Siberia” téa. Teuing ngimpi, teuing naon. Ngan kuring rarasaan téh maot. Terus digarugulung. Diman- dian. Diboéhan. Dikocrotan minyak “Ruh ar Ruh” tina botol pamé- ré emang. Diasupkeun Nyambung ka kaca 30

×