Sabada Mulang tiMekkah
M
ingkin dieu nu boga karep jeung kamampuhan munggah haji mingkin ningkat. Ngan
kapaksa, kudu nungguan heula mangtauntaun hayang laksana miang ka Baetulloh teh, da
kawatesanan ku quota, nu ahirna, nganti heula nepi
kana waktuna.
Upama nu boga karep milampah kahadéan mingkin
ningkat, harepan ayana kahirupan leuwih hadé gé bisa
leuwih ngandelan. Hartina, lobana nu taat kana
ibadah, masarakat gé baris meunang barokah.
Nu mariang ka Tanah Suci, mugia jadi haji mabrur.
Atuh, masarakat séjénna, nu natangga jeung jamaah nu
marulang ti Mekkah bisa gedé haté. Meureun, bakal
kabawa hade, lantaran nu nyandang gelar haji mabrur
téh baris mangaruhan positip kana kahirupan
masarakat sabudeureunana.
Mitra, urang percaya, ibadah téh sanés mung
kanggo kapentingan pormalitas. Sapertos nu mandi
sareng tuang, apan aya pangaruh séjén nu aya dina
satukangeun éta kagiatan. Mandi, lain ukur sangkan
awak baseuh jeung lantis ku cai, da ku cara mandi nu
hadé luyu jeung aturan kasehatan, mandi téh, bakal
leuwih nyehatkeun awak. Kitu deui mun tuangna bener
jeung nu dituangna ‘hahalan toyiban’, ceuk basa agama
téa, tangtuna gé pangaruh tuang téh bisa mangaat keur
si éta jalma, lain ukur pinuh beuteung jeung seubeuh
wungkul.
Ibadah, saperti nu munggah haji, sanggup nyorang
lalampahan jauh, demi kataatan ka Pangeran. Ihlas
ngaluarkeun waragad nu lain saeutik, demi nyumponan
paréntah. Atuh, sageuy mun urusan nu leuwih hampang
batan kitu, leuwih murah ti batan munggah haji, asa
pamohalan mun nepi ka kaluli-luli. Atuh, upama mampuh munggah haji, nyumponan pangondang Alloh,
sageuy poho kana ondangan-ondangan séjénna. Apan,
jalma-jalma sabudeureunana, teu saeutik nu ngisarahan, butuh pangondang kanyaah jalma-jalma nu leuwih
batan arinyana. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3.
18
Lalaki dina Jandéla
5
LAPORAN
Mingguieu Bapa kuring mimiti gawé di
kantor nu anyar. Ngarah deukeut, Bapa
meuli imah nu teu jauh ti kantorna. Kuring, Ema, Wati, milu pindah ka imah
anyar. Kuring sakulawarga atoh pisan
sabab imahna rada gedé batan nu
kamari.
Tina Kareta Monorel
Nyawang Urut Talaga Bandung
H. Mohamad `Surya:
SILATURAHMI SARENG WARGA
PASUNDAN DI MELBOURNE
........................................................... 8
NU MANEUH
Épisode
Arif Abdilah ...................................... 9
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 31
Katumbiri .......................................... 36
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
IMPLIK-IMPLIK
CARITA NYAMBUNG
Situ Gedé Tasikmalaya
Pangirut keur nu Resep Alam
......................................................... 46
Carita Sarebu Samalem (178)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (17)
M.A. Salmun
............................................................. 12
PURIDING PURINGKAK
Dedemit Guha Cinta
Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24
Potret : Reisyan
SAJAK
CARITA PONDOK
Lalaki dina Jandéla
Dian Amaliasari ............................... 18
Haté Pamajikan
Dadi Margana ................................... 20
Nu Nyaring Basa Janari
Anggi Novia Dewi .............................. 22
4.
Evan Dimas
K
umaha caranasangkan Evan
Dimas sabalad-balad ulah
nepi ka diajak salingkuh ku
pangurus PSSI? Geus lila apan di
urang mah sagala rupa téh sok
babaladan. Ditingali téh basajan
pisan. Itu téh balad urang atawa
lain. Lamun balad urang, kudu
dibantuan satékah polah. Lamun
lain balad urang, mending gé
kusrukkeun wé sakalian. Iraha deui
aya kasempetan.
Indra Syafri, anu kapapancénan
ngalatih Evan Dimas sabalad-balad
ayeuna, apan cenah nepi ka bisa kitu
téh henteu gampang. Saméméhna
kungsi dipasarahan si anu jeung si
anu anu kudu dilatih ku manéhna
téh. Barang dijalankeun, hasilna kurang nyugemakeun. Nepi ka balaka
jeung ngajukeun tanjakan. Heug
daék ngalatih tapi kudu dibéré
kawenangan pikeun milih sahasahana. Lamun teu kitu, kajeun
mundur.
Nya manéhna ngider ka suklakna
ka siklukna. Mangtaun-taun lilana
matéakeun barudak nepi ka bisa
siga ayeuna téh. Enya sanggeus
puguh hasilna mah ku sasaha
dibaeu-baeu, dienya-enya. PSSI gé
milu agul.
Kumaha pikahareupeunana? Tah
soal ieu anu saréréa milu
mangsalempangkeun téh. Lamun
dipercayakeun ka nu ayeuna ngajajar jadi réngréngan pangurus
PSSI, cangcaya. Hasilna ampir bisa
dipastikeun. Moal jauh ti nu
enggeus-enggeus. Kurang kumaha
hébatna tim Primavéra harita?
Kurniawan, Bima Sakti, apan mani
gedé pisan harepan saréréa ka
maranéhna téh. Lain ngan semet
harepan, da geus nyampak jeung
geus katémbong pibakaleunana. Ari
buktina, apan teu kitu. Modal anu
sakitu gedéna téh kalah jadi naon
boa.
Tapi ari anu ngarurus PSSIna
mah teu ngarasa, yén pangna nepi
ka mubah kitu téh lantaran teu
bener ngurusna. Malah keur
maranéhna mah sigana kajadian
kitu téh teu jadi soal teu sing.
Nu ayeuna gé, Evan Dimas sabalad-balad téa, lebar temenan
lamun bakal kitu nasibna engké.
Naha Indra Syafri bakal kumaha
pikahareupeunana? Kudu diaku
gawéna Syafri katut timna téh geus
aya hasilna. Tur meujeuhna lamun
dipuji. Komo barang sakumna rayat
Indonésia nyaksian kumaha petana
lamun Evan tas ngasupkeun. Apan
saréréa, kaasup réngréngan anu
ngalatihna, sujud sukur. Kakara
ayeuna urang boga timnas anu
saperti kitu. Tur éta téh barudak
kénéh pisan.
Tapi teu cukup ngan semet
dinya. Teu cukup ku ngarasa agul.
Teu cukup ku sakadar pada muji.
Naha Dimas, Maldini jeung baladbaladna téh bakal meunang kasempetan anu leuwih hadé nepi ka ka
hareupna maranéhna bener-bener
bakal jadi timnas anu ngalalakon di
Asia? Komo lamun nepi ka bisa milu
makalangan dina tingkat dunya
mah.
Bakal mulang deui kana kleubkleub nu araya. Naha pakeun anu
poténsial téh bakal disampakkeun
lahan anu saluyu jeung pangabutuhna? Waktu pingpinan kleub Arsenal
milih Arsen Wenger pikeun jadi
pelatihna, pamaén nu geus araya di
dinya teu sasatna ngajebéngan. Saha
Wenger téh? Nu kungsi dilatihna
ogé kleub di Jepang lin?
Dibagéakeun ku sikep anu
saperti kitu, Wenger henteu
rumegag. Manéhna geus boga konsép kudu kumaha ngalatih tim.
Barang éta konsép dijalankeun, teu
kurang-kurang pamaén anu teu
nurut. Tapi beuki lila ku maranéhna
beuki karasa. Enya geuning aya
hasilna. Bener geuning aya robahna.
Bisa jadi Indra Syafri ayeuna gé
posisina téh henteu jauh bédana
jeung anu kaalaman ku Wenger
harita. Mangkaning, anu disanghareupan ku Syafri téh pangurus
PSSI anu henteu profésional. Pan di
urang mah kitu, dina sagala urusan
gé. Nu disebut profésionalismeu téh
nu diuruskeunana ngan semet
piduiteunana. Ari kana urusan
kaahlian jeung étikana mah tara aya
anu merhatikeun. Disangkana,
profésionalismeu
téh
euweuh
étikana.
Lebar temenan lamun Indra
Syafri katut tim yuniorna ayeuna
saterusna dipercayakeun ku jalmajalma anu henteu ngajénan profésionalismeu sakumaha mistina. AM
3
5.
Jalan di Kabupaten
Pangandaran
Kumahadaramang Ais
Pangampih Manglé? Punten ah ngiring nyerat dina
rohangan
koropak,
mudah-mudahan wé ieu
seratan tiasa kaaos ku pajabat nu gaduh kalungguhan
di
Kabupatén
Pangandaran.
Sabada lalampahan ka
Kabupaten Pangandaran,
enya wae, jalan teh raruksak parna. Eta oge aya nu
keur dibebenah, tapi
lolobana mah diantepkeun
wae.
Tapi sanajan kitu, keur
pribados mah, nuhun bade
nu aya. Meureun mana
kitu oge aya nu narekahan.
Ngan kahade ngabebenah
jalan
di
Kabupaten
Pangandaran mah ulah
alus saharitaeun wungkul,
tapi nu bakal nagen nepi ka
puluhan taun.
Sakitu wae, sakali deui
ngahaturkeun nuhun.
Kang Doni
Padaherang Ciamis
Nu Karasa Sabada
Kurban
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Nyi Mangle ti payun
ngahaturkeun nuhun ku
ditampina ieu serat ti
pribados, mudah-mudahan tiasa kapidangkeun
dina rubrik koropak.
Nyi Mangle, lebaran
idul adha atawa lebaran
haji teh geus lekasan.
Atuh kudu aya nu
karasana tina hikmah
satukangeun lebaran haji
teh. Sanes wae alatan kamari urang loba nyate
atawa nuang daging, tapi
4
kudu
karasa
dina
nembongkeun kasolehan
sosial ka papada manusa.
Malihan nu paling penting nyaeta langkung
deukeut ibadah ka Alloh
Swt.
Nyi Mangle, dina
warta-warta
seueur
kabejakeun cenah nu kurban jeung nu mareunang
daging kurban loba nu
ararambek,
loba
nu
rungsing.
Alatanana,
pedah nu kurban loba nu
teu kabagian atawa henteu adil dina pas masihan
daging kurban. Atuh nu
mareunang kurban oge,
alatan pagegelek jeung
batur nepi ka pasrah. Tah,
kaayaan-kaayaan saperti
kitu, hadena mah ulah kajadian deui. Nu kurban
nya kudu ihlas. Ngaranna
oge kurban, nya meureunan kudu daek berkorban,
luyu jeung paniatanana.
Atuh ku mareunang daging kurban oge, kudu
sabar upama teu kabagian.
Sakitu wae, mung
intina mah, mudah-mudahan sabada kurban, urang
tiasa ngariksa diri geusan
nanjeurkeun kasolehan ka
papada manusa.
Sakitu, hatur nuhun.
Hapunten
bilih
aya
kalepatan.
Wassalamu’alaikum
Wr. Wb.
Bambang
Cigondewah Bandung
Nganti nu Marunggah Haji
Islam di nagara urang
kudu
jadi
rohmatal
lil’alamin. Hartosna naon
wae polah umat Islam
kudu matak pikabetaheun, picontoeun umat
sejenna.
Ku kituna, Islam di
Indonesia mah sahenteuna
aya
sababaraha
kareueus. Nu kahiji, yén
kamajuan bangsa jeung
nagara, moal leupas tina
paripolah sareng papagon
Islam. Badé ancog ka
mana waé ogé, apanan
bakal panggih sareng
umat Islam deui.
Nu kadua, reueus
patali sareng seueurna
organisasi
kaagamaan
Islam atanapi lembaga
Islam, boh dina lembaga
ékonomi, lembaga atikan
ogé lembaga hukumna.
Tangtos kareueus ieu tiasa
dijagi, margi masalahmasalah
nu
sakieu
ageungna, upami sosorangan ku pamaréntah tangtu
moal bisa.
Katilu, reueus ku prakprakkanana ibadah umat
Islam, kayaning ibadah
haji, zakat, qurban jeung
sajabana. Unggal taun nu
haji undak, kitu deui nu
kalurban ogé sami undak.
Tangtu mantak reueus
geusan ngahontal karaharjaan umat. Tina haji
waé, apanan katingal
triluyunan, tina zakat ogé
kitu deui. Hartina umat
Islam téh baleunghar
pisan.
Tapi tina kareueus éta,
simkuring tetep aya nu
jadi patarosan. Naha
umat Islam loba nu katinggaleun kéneh? Naha
barodo kénéh? Naha
angka kamiskinan ogé
kalah ngaronjat? Naha
aya nu salah? Di mana
atuh salahna?
Tah éta patarosanpatarosan nu teu weléh
jadi panasaran. Naha hésé
pami masarakat Indonésia nu baleunghar
gaduh émutan ka dinya?
Tah, dina danget ayeuna
dina miéling taun baru
Islam, kedahna urang
némakeun deui sawala
Islam nu leuwih daria
kana
urusan-urusan
sapertos di luhur.
Margi kitu, luyu sareng
sakedap deui urang bade
kasumpingan tamu Alloh,
para jamaah haji ti
Mekkah, mudah-mudahan aranjeunna tiasa
ngarobih, tiasa jadi conto
pikeun manusa sejenna
dina enggoning nanjeurkeun kasolehan.
Sakitu, hatur nuhun.
Mugia seratan ieu tiasa
janten émutan sadayana.
Wassalam,
Hj. Dede Kurniasih
Ti Ciamis
Nguningakeun
Dina Mangle 2446 Carita Nyambung
“Gogoda Ka Nu Ngarora”
teu kapidangkeun jalaran aya
kalepatan tehnis. Kanggo nomer
salajengna kapidangkeun deui
sapertos biasa.
Hatur nuhun.
Manglé 2447
6.
Bandung téh lengkobdisawang ti
pagunungan mah. Tah, engké mah,
pamandangan nu kawas kitu téh bisa
ditingal tina monorel. Ngan, iraha
réngséna?
***
T
ina
jandela
kareta
api,
pamandangan teh rupa-rupa,
pasawahan, pagunungan, jeung
patingjarumplukna tatangkalan di
lembur-lembur. Tetempoan nu kawas
kitu, bisa kasaksen mun kaparengan
numpak kareta api ti tungtung kulon
Jawa Barat nepi ka wetan atawa
sabalikna.
Pamadangan nu kawas kitu, malah
bakal leuwih atra, leuwih plung-plong
upama jalan kareta teh anggang welasan meter meter tina taneuh. Tina
kandaraan kawas kitu, bisa nyawang
ka jauhna.
Bandung nu hurin ku tangtung,
boga
karep nyieun monorail
(kandaraan/kareta
nu
jalanna
anggang tina taneuh aya kana welasna
meter tea. Ngan, iraha Bandung boga
kandaraan kawas kitu kitu? Memang,
moal lila deui, dan geus ditataharkeun,
kari prakna.
Bandung nu palataranana lir katel
nangkar, engke mah bisa titingal tina
kareta monorel. Kareta nu lajuna welasan meter tina taneuh teh, bisa jadi
sarana patalimarga, nu lain ukur ngan-
Tina Kareta Monorel
Nyawang Urut Talaga Bandung
Monorel Bandung Raya
Manglé 2447
5
7.
teur kapereluan tapideui bisa
nyingraykeun lalangse hate dina
sajeroning lumampah. Cindekna,
indit-inditan teh bisa bari nganteur
karesep,nyawang pamandangan Bandung jeung sabudeureunana.
Rarancang kareta monorel saperti
kitu, ditembrakeun Gupernur Jawa
Barat, H. Ahmad Heryawan, sawatara
waktu ka tukang. Cenah, eta proyek
teh dimitembeyan taun 2014 satutas
masterplan atawa rarancang wangunana rengse.
Prak-prakan ngawangun sarana
patalimarga kawas kitu, digarap
kalayan gawe bareng antara pihak
Indonesia jeung pihak Cina. Dua
pihakanana ge pausahaan swasta. Pamarentah mah, ukur ngajurung laku
sangkan eta proyek teh bisa lumangsung kalayan lungsur-langsar.
Legana ambahan monorail nu
baris ngaliawatan sababara tempat di
wewengkon Bandung Raya,il, pangwangunanan ge butuh waktu mangtaun-taun. Eta proyek teh baris
dilaksankeun dina lima tahapan.
“Tahapan kahiji rengse dina taun
2016,ari kabehanana mah rensge dina
taun 2025.
Ngirit Lahan
Ngawangun patalimarga kitu,
tangtu we butuh waragad nu lain saeutik. Wilanganana ge bakal meakeun
welasan triliunan
rupia.
Dina
ngawangun monorel tea, pamarentah
ngandelkeun swasta. Pausahahan Cina
nu ancrub kana eta proyek teh, CMC
kalian babrengan jeung pihak swasta
lokal nu diluluguan ku Panghegar
Group. Ari pihak pemprop mah moal
ngalaurakeun waragad. “Kakara mun
geus rengse, pihak pamarentah
nangtukeun tarip panumpangna,”
ceuk gupernur.
Galibna, pangwangunan mah
butuh lahan. Tah, nu tumali jeung
lahan tea, bagian pamarentan propinsi
nu baris natahararkeunana. Ngan,
ceuk gupernur, moal loba lahan nu
mubah, lantaran monorel mah, bisa
make lahan nu ayeuna geus biasa dipake patalimarga.
Jalan nu disebeut monorel mah di
luhur, kurang leuwih 18 meter tina
taneuh teh. Mun tea mah, make lahan
sawah, tetep we sawah di handapeun
erel/jalan mah bisa kapake, iwal ti nu
dipake tihang.
6
Neken kasapukan gawe bareng jeung pihak Cina
Upama pamarentah milih alat
patalimarga monorail tea, tangtu we
dumasar kana rupa-rupa tinimbangan, pangpangna mah sual lahan.
Pangwangunna naon wae butuh lahan
nu lain sateutik. Kitu deui upama
ngawangun jalan raya anyar, apan
bakal loba lahan nu kapake. Lembur,
sawah, kebon, jeung sajabana, bisa
salin rupa jadi jalan. Ari monorail
mah, teu kitu, lantaran tempat-tempat
nu kaliliwatan ku monorail tea, bakal
tetep bisa digunakeun sabihari.
Pangwangunan monoral di Bandung jeung sabudeureunna, digarap
ku pihak swasta. Hartina, boh sumber
daya boh sumber dana, disayagikeun
ku pihak pausahaan swasta. Pihak pamarenetah, ‘masilitasan’ nu tumali
jeung lahan, oge engkena milu nangtukeun tarip keur panumpangna.
Garapan swasta, ceuk gupernur,
bisa leuwih tereh. Apan, upama
anggranana tina APBN atawa APBD,
tangtu bakal leuwih lila. Da, kitu
galibna makenan duit pamarentah
mah. Leuwih tiheula kudu aya kasapukan ti para anggota dewan. Hartina,
dina nangtukeun anggaran jeung
makena anggaran teh butuh waktu nu
teu bisa dirurusuh.
Pemerintah Provinsi Jawa Barat
sagancangna bakal ngagarap proyek
monorel metropolitan Bandung Raya.
Nurutkeun Gubernur Jawa Barat
Ahmad Heryawan proyek monorel ieu
bakal dimodalan ku BUMN Cina
nyaeta China National Machinery Import & Export Corporation (CMC).
Gubernur Jawa Barat Ahmad
Heryawan netelakeun, proyek pangwangunan Monorel Bandung Raya
bakal
ngalibetkeun
sababaraha
kabupaten/kota di sabudeureun Kota
Bandung sarta mangrupa salah sahiji
tina 23 proyek raksasa di Indonesia.
“Tina 23 proyek raksasa Indonesia,
Monorel Bandung Raya téh aya dina
urutan ka salapan pangageungna.
Tangtosna oge ieu téh kareueus urang
sarerea,”ceuk
gubernur
pinuh
kareueus.
Lian ti memorandum of understanding (MoU) jeung perjanjian
sejenna anu geus ditandatangan ku
pihak Indonesia (Jawa Barat) jeung
China (CMC), nurutkeun Kang Aher,
dina KTT APEC di Bali, Jabar jeung
China geus neken memorandum of
agreement (MoA) anu nandakeun
puguhna gawe bareng antara dua
nagara dina ngawangun Monorel
Bandung Raya.
Pamarentah kabupaten atawa kota
nu engkena milu ngarasakeun mangpaat Monorel Bandung Raya (Kota
Cimahi, Kabupaten Sumedang, Kabupaten Bandung, dan Kabupaten Bandung Barat) bisa ilubiung neundeun
saham di PT Jasa Sarana anu mangrupa badan usaha milik daerah
Provinsi Jawa Barat.
“Pamarentah provinsi masihan
kasempetan ka sadaya pihak supados
tiasa nyimpen saham di BUMD,”
pokna.
MoU pangwangunan Monorel
Bandung Raya geus disatujuan antara
Manglé 2447
8.
Gubernur Jabar nitenanMonorel larapkeuneun di tatar Sunda
pihak Indonesia, dina hal ieu nyaeta
Pamarentah Provinsi Jawa Barat anu
diwakilan ku PT Sarana Infrastruktur
Indonesia (Panghegar Group) jeung
PT Jasa Sarana (BUMD), jeung pihak
China anu diwakilan ku pausahaan
CMC (China National Machinery Import & Export Corporation).
“China sareng Jawa Barat
ngadamel tim husus kanggo nyiapkeun master plan transportasi di Bandung Raya sareng nitenan visibility
study kanggo pangwangunan Monorel
Bandung Raya,” ceuk Aher.
Waragad
sakabehna
proyek
Monorel Bandung Raya anu panjangna 28 kilometer kira-kira Rp 15 nepi ka
Rp 18 triliun.
“Ngawitan mah diperkirakeun 5
dugi ka 10 triliun, tapi sabada dietang
deui tetela waragadna téh dugi ka 18
triliun. Kanggo ground breaking tahap
munggaran (Gedebage-Tanjungsari)
meryogikeun anggaran 5 triliun rupia,”
pokna.
Nurutkeun CEO Panghegar Group
Cecep Rukmana, proyek Monorel Bandung Raya bakal diwangun anu
luhurna 8 meter diluhureun taneh.
Lima koridor anu bakal kaliwatan
ku monorel nyaeta GedebageTanjungsari (Bandung-Sumedang),
Gedebage-Soreang (Bandung-Kabupaten Bandung), Gedebage-Cimahi
(Bandung-Cimahi), Gedebage-Dago,
Gedebage-Majalaya (Bandung Kabupaten Bandung Barat).
Pikeun koridor mimiti nu bakal di-
Manglé 2447
wangun nyaeta koridor GedebageTanjungsari anu panjangna kira-kira
28 kilometer sarta aya 11 stasiun.
"Kanggo koridor nu ngawitan
waragadna kinten-kinten 578 juta
USD atanapi Rp 5 triliun," ceuk Cecep.
Proses pangwangunan monorel,
kiwari
masih
keur
dipigawe
panalungtikan feasibility study (FS).
FS ieu dipiharep rengse dina bulan
Februari 2014 jeung bakal dijadikeun
dasar pangwangunan koridor nu
mimiti, koridor mimiti ieu dipiharep
bakal rengse dina taun 2016 hareup.
Munggaran
GedebageTanjungsari
Lima koridor geus disusun dina
“masterplan” monorel Bandung Raya.
Jalur ieu dipiharep bakal bisa nyingkahan masalah kamacetan di Bandung
Raya.
Alesanana kunaon koridor nu
mimiti Gede bage-Tanjungsari anu diwangun,nurutkeun Direktur Utama
Penghegar Group Cecep Rukmana
kusabab koridor ieu anu dianggap paling gampang dibandingkeun opan
jalur sejenna.
"Dumasar kana panalungtikan,
jalur ieu téh dianggap padat. Kumargi
kitu saenggalna hoyong tiasa
direngsekeun kanggo pembuktian ka
masarakar.janten jalur GedebageTanjungsari téh kumargi gampil tina
palaksanaan proyekna nya janten
proyek koridor anu ngawitan," pokna.
Gubernur netelakeun, pihakna
milih ngawangun moda transportasi
massal monorel ieu téh kusabab henteu loba meakeun lahan anu lega. Kusabab kitu jalur nu bakal jadi liliwatan
monorel ieu sabagean bakal make
jalan raya nu geus aya.
"Monorel henteu ngagusur lahan
seueur teuing. Anu diangge sakedik,
kanggo masang tihangna wungkul.
Jadi upami, misalna, ngalangkungan
sawah oge, éta sawah masih tiasa dianggo keneh," ceuk Heryawan.
Pangwangunan monorel ieu mangrupa gawe bareng swasta jeung swasta
atawa bisnis to bisnis. Hartina sumber
dana jeung proses pangwangunana ku
swasta,
kusabab
kitu
proses
pangwangunana ge dipiharep bisa
leuwih gancang.
"Upami anggaranna tina APBD
atanapi APBN pasti lami. Kedh aya
proses penganggaran heula, teras
kedah aya persetujuan ti dewan.
Upami ieu mah kan simpel, swasta anu
nanggung waragadna sakaligus swasta
oge anu ngawangunna," ceuk
Heryawan.
Sekretaris Badan Perencanaan
Pembangunan Daerah (Bappeda) Kota
Cimahi, Hery Antasari, manghanjakalkeun kana kaputusan Pemprov Jabar
anu geus nempatkeun Kota Cimahi
tina tahap dua jeung tilu tina total lima
tahap perencanaan pangwangunan
monorel Bandung Raya.
Nurutkeun Hery, Kota Cimahi téh
wilayah nu pangdeukeutna jeung Kota
Bandung anu tingkat kamacetana teu
beda jeung Kota Bandung anu mangrupa inti pusat kagiatan nasional
(IKN) cekungan Bandung.
"Langkung sae upami dina tahapan
pangwangunan ieu dimimitian ti Kota
Bandung, teras nyambung babarengan
ka wetan sareng kulon. Supados
proses dina pangwangunanana henteu
lami sareng tiasa ngahontal penurunan indeks kamacetan di Kota
Cimahi," ceuk Hery
Status Cimahi minangka kota inti
PKN cekungan Bandung, ceuk Hery,
geus aya dina rencana tata ruang dan
rencana tata wilayah (RTR / RTW)
provinsi jeung nasional.
"PKN ieu mangrupi kawasan
perkotaan anu pungsina kanggo
ngalayanan kagiatan skala internasional, nasional atanapi kagiatan
propinsi. Tapi kanyataanna Kota
Cimahi meh kahilapkeun," pokna.***
(AS)
7
9.
Nguatan Seni Tradisi
MahingJati Kasilih ku Junti
Rengrengan pangurus Paguyuban Pasundan di Melbourne
D
ina raraga mancen tugas
salaku anggota DPD-RI
wawakil Provinsi Jawa Barat
tanggal 24 Pebruari nepi ka tanggal
2 Maret 2013 ngalaksanakeun studi
banding ka Australia anu dipuseurkeun di nagara bagian Victoria. Eta acara dipiluan ku 12 orang
anggota Komite II, dina raraga studi
banding ngeunaan oerkebunan,
peternakan, sarta pengelolaan air .
Disela-sela acara kagiatan kunjungan resmi di Melbourne, aya dua
pangalaman anu boga harti penting.
Pangalaman kahiji nya eta shalat
Jumaah di masjid Assalam di Melbourne. Eta masjid teh diurus ku
warga muslim di Melbourne anu
lolobana para mahasiswa anu asal ti
Timur Tengah, Pakistan, Malsysia,
jeung Indonesia. Masjidna mangrupa imah anu cukup gede jeung dan
digunakeun jadi tempat ibadah
warga muslim. Kacida matak reueus
ngalaman milu shalat Jumaah di nagara deungeun anu anu warga
muslimna kagolong minoritas.
Pengalaman kadua nya eta siltur-
8
Dahar ngariung mani nimat asa di lembur
ahmi jeung warga pasundan di Melbourne dina poe Rabu peuting tanggal 27 Pebruari 2013.
Sabada meunang katerangan ti
pihak KJRI ngeunaan ayana
paguyuban pasundan di Melbourne,
tuluy diagendakeun acara silaturahmi jeung warga paguyuban pasundan, itung-itung nyerep aspirasi
ti warga Jawa Barat anu aya di
mancanagara. Minangka tokoh anu
dipikolot sarta jadi pangurus nya eta
Bapa Ade Faesal jeung pa Tedi anu
salawasna aktip ngalakukeun silaturahmi jeung sesama warga pasundan di wewengkon Melbourne.. Dina
mangsa patemon harita hadir lima
welas urang warga pasundan anu
tempatna di masjid. Eta masjid
sakaligus oge mangrupa bale patemon warga pasundan. Nurutkeun
katerangan ti para pangurus, aya kurang leuwih 200 urang warga
pasundan di ditu anu sacara rutin
ngalaksanakeun patemon silaturahmi saperti pangajian, kunjungan,
arisan, olah raga, rekreasi, jsb.
“Itung itung ngarakeutkeun dudulu-
ran sakalian ngamumule budaya
sunda, sanajan aya di mancanagara”
kitu saur pa Ade sarta pangurus
sejenna.
Acara silaturahmi harita dimimitian ku shalat magrib berjamaah anu
diltuluykeun ku dahar peuting
babarengan anu disadiakeun ku
pangurus. Satuluyna acara dialog
jeung diskusi ngeunaan rupa-rupa
masalah. Salah sahiji materi anu
dibahas nya eta negunaan kahayang
warga pikeun ngomean masjid supaya bisa digunakeun sacara efektif.
Eta masjid teh awalna mangrupa
gereja anu dibeuli ku pak Tedi hiji
pangusaha anu sukses.. Kahayang
warga nya eta ngarenovasi bangunan supaya bener-bener mangrupa
masjid. Ayeuna keur dijieun proposal pikeun meunang bantuan
waragad ti Islamic Developmental
Bank di kantor puseurna di Jeddah
Arab Saudi. Swaktu umroh bulan
April kaliwat tos ditepungan pajabat
IDB di Jedah anu nyanggupan ngabantu sabada aya proposal anu dikuatkeun ku KJRI Melbourne.***
Manglé 2447
10.
Sajak Arif Abdilah
épisode
sigaalmanak nu tuluy ngolotan
urang haben ngarucu waktu bari anteng
nepungkeun umur jeung sésa ringkang
horéng angka-angka masih jadi
katineung jam, ngitung rénghap jeung hégak
nu baris peuray dina jajantung sorangan
2012
tepang taun
bari nyutat diri
kami jongjon ngulin-ngulinkeun kalangkang
ngumpulkeun kakelar sésa pirunan silalatu
horéng lilin les-lesan juuh dina peteng mata
dina rénghap, léngkah kami motah
muru pajaratan
bari nyutat diri
kami jongjon nembang-nembangkeun impian
melak tangara katut katunaan sésa angin katiga
cika-cika reup-reupan ngiles dina peuting mongkléng
dina bagantina usum, kubur nganti
rupaning umur
bari nepungkeun diri
ringkang samar, peuting ngabungbang
beurang ngarangsadan
taun demi taun
ririwa ngabakutet raga
2013
Manglé 2447
9
11.
Bagian
178
Peuting ka-205
Miang mangbulanbulan,ahirna mah tinemu
bagja. Komarujaman bisa
tepung jeung wanoja nu
dipisonona. Malah, ahirna
mah laksana kapiduriat
jadi batur hirup dina
ngawangun rumah tangga.
Ku lantaran kitu, nu anyar
panganténan téh ngarasa
bagja kacida.
Heuleut sawatara poé,
Komarujaman ras inget ka
nagrina. Rumasa miang
teu karana idin kolotna.
Ceuk pikirna, meureun
kulawargana téh katatangkotéténg néangan manéhna. Ras kana kalakuanana,
Komarujaman téh jadi huleng jentul.
Hiji peuting ieu nonoman téh ngimpi, kadatangan kolotna nu
nganaha-naha dirina tacan
waé mulang ka nagrina.
Ku lantaran kitu, kasumpeg haténa téh
dikedalkeun ka Putri
10
Budur .
“Akang téh kudu nyelang heula mulang ka
nagara,” pokna’
“Nya sumangga. Mémang saéna kitu,” ceuk
putri.
Isukna, putri téh bébéja
ka ramana. Cenah, salakina ménta idin rék nyelang
heula mulang ka nagrina.
Ngadéngé caritaan anakna
kitu, Raja Budur mah,
bungah wé nu aya, lantaran mémang sakuduna
anakna gé munjungan ka
mitohana.
Putri Budur atoh, bisa
nyaba ka nagri salakina.
Malah, bisa laluasa da
meunang idin nyaba salila
sataun. Ceuk pikirna,
cukup keur leuwih
mikawanoh nagri salakina.
Gancangna carita, raja
gé paparéntah, sangkan
sakumna mantri ilu-biung
nataharakeun sagala
kapereluan anakna. Taya
nu talangké, sakur pihak
nu ngemban timbalan mah
cakah-cikih nyadiakeun
sagala rupa kapereluan
keur pibekeleun dina salila
lumampah.
Dina waktu nu geus ditangtukeun, bring rombongan Putri Budur miang.
Ngaleut rombongan téh,
da puguh lian ti para
badéga téh deuih pangawal gé teu tinggaleun.
Atuh, kitu deui nu ngahaja
mangmawakeun bebekelan aya kana welasna.
Jumlah-jamléh nu miang
rék nyaba téh moal kurang
ti saratus urang.
Rombongan kaluar ti
buruan istana, laju muru
jalan gedé nu muru ka luar
kota. Tutunganganana,
kuda jeung onta. Diiringkeun ku pasukan jaga baya
nu sarua tarumpak kuda.
Sanggeus rombongan teu
katempo, kateureuy ku
péngkolan, raja gé asup
deui ka karaton.
NU miang laju ninggalkeun puseur nagara. Beuki
lila beuki jauh, ahirna
sanggeus lumampah sapoé
jeput, anjog ka palataran
nu némprak. Eta téh tegal
jukut nu sisi-sina pinuh ku
tatangkalan.
Rombongan ngarandeg, lantaran Komarujaman ngisarahan sangkan
pangiringna areureun.
Geus kitu mah jrat-jrut
tarurun tina tutungganganana. Da, mémang
wancina nu lumampah
reureuh heula.
Parabadéga cakahcikih nyieun tenda keur
pangreureuhan. Da, puguh
geus disadiakeun sagalana,
kaasup ahli-ahlina, atuh
ukur sababara jam, éta
tempat téh salin rupa jadi
pangereureuhan nu rapih
tur pikabetaheun.
Taksiran, Putri Budur
téh capéeun, da terus wé,
ngagoloyoh kana ténda.
Nu séjén gé sanggeus
ningali putri jeung
pangeran arasup ka ténda,
blas-blus ka tempat masing-masing. Ngan, mémang teu kabéh arasup
kana ténda, da jagabaya
mah, angger ngajarega di
tempat-tempat nu misti
dijaga.
Putri Budur mah, reup
wéh saré. Harita, Komarujaman ngadeukeutan
Manglé 2447
12.
pamjikanana, gék diuk
gigireunana.Nu keur saré
téh diteuteup dipapay ti
mimiti lebah indung suku
nepi ka tungtung buukna.
Keur anteng neuteup pamajikanan, katingali tina
lebah cangkéngna aya nu
ngaburilak. Komarjaman
panasaran. Ragamang éta
nu ngaborélak katojo cahaya lampu téh dirampa.
Karasa teuas!
Tangtu wé, beuki
panasaran. Nu cikeneh
karampa téh dicokot
dikaluarkeun tina endongna. Goréhél wéh, horéng
permata anu kacida
éndahna. Ngan, barang dialak-ilik horéng aya
aksaraan. Ngan, teu pati
kabaca.
Komarujaman mingkin
panasaran. Ceuk pikirna,
moal pati-pati éta permata
dibabawa, lamun teu
kacida luhur ajénna. Kapanasaran séjénna, tumali
jeung tulisan téa. Ku lantaran kitu, manéhna gancang ka luar ti kemah,
angkanana mah rek maca
éta hurup di tempat nu
leuwih caang.
Di nu caang, éta
permatan téh dialak-ilik.
Enya wé, kacida alusna,
komo geus atra kasorot
cahaya bulan mah. Ti
dinya, manéhna
ngadeukeutan lampu rek
maca éta tulisan. Ngan,
kakara gé dialak-ilik,
dibebenah sangkan éta
hurup kabaca, teu kanyahoan ti mana asalna, siet
aya manuk nyamber éta
batu nu keur diilikan ku
Komarujaman.
Sajongjongan éta
panganten anyar téh
hareugeueun. Ukur melong matasimeuteun lir nu
ilang pangacian. Geus kitu,
gebeg haténa ngagebeg.
Ceuk pikirna, duh, cilaka!
Mun pamajikanana
apaleun permata leungit
Manglé 2447
lantaran kalakuan
manehna.
Teu panjang mikir,
Komarujaman téh nuturkeun manuk nu ngageleber kalayan mawa permata
téa. Ari manuk, teung lantaran beurat ku batu nu diranggeum, teung lantara
ngahaja ngaheureuyan
sangkan Komaruujaman
ngudag, da geuning hiberna téh eureun-eureunan
enteup tina tangkal ka
tangkal sejen. Ngan,
ahirna mah ngajauhan.
Komarujaman tatanggahan, terus nutur-nutur
éta manuk. Susuganan, éta
permata téh dipuragkeun.
Atuh, mun teu
dipuragkeun, nya bakal dipaksa sina murag, malah
kajeun teuing rék nenggor
éta manuk sina murang
sakalian jeung manukna.
Beuki lila, manuk téh
beuki jauh. Atuh, lantaran
kabawa ku rarasaanana nu
sieun disalahkeun ku
pamajikanan, kapaksa wé
Komarujaman téh terus
nuturkeun ka mana waé
éta manuk téh hiberna.
Ceuk pikirna, da tangtu
aya tungtungna bakal eureun, bakal muragkeun
batu téa.
Komarujaman terus
tatanggahan bari leumpat.
Sakapeung gancang
sakapeung kendor.
Sakapeung nanjak
sakapeung mudun. Malah,
mun manuk hiber meuntasan walungan, nu ngudag
gé kapaksa kudu gegejeburan di walungan.
Dina hiji tempat,
manuk téh eunteup dina
dahan tangkal kai nu
kacida luhurna. Ningali
peta manuk kawas kitu,
Komarujaman nyobanyoba naék kalayan rerencepan. Maksudna, mun
geus deukeut éta manuk
téh rék dipalengpeng ku
naon waé nu kahontal ku
dirina. Inyana gé sadar,
mun ngahaja ditéwak mah
pamohalan pibeunangeun.
*** (Hanca)
11
13.
Ku M.A. Salmun
{16 }
T
eu lila antarana,
dua dulur misan
teh geus pahareuphareup deui, uplek pisan.
Agan Sari ngaluarkeun
panasna, ari Lilis
ngalilipur ngabeberah,
jiga heueuh padahal ceuk
hatena: “Aing ku baraya
sia nepi ka disebut Si
Kacingcalang
Manglayang! Sia pribadi,
ngaku soteh ka aing,
bane bae keur dina pepeteng, da nu enggeusenggeus mah sakalieun
disaba ge nitah dibejakeun, “nuju arangkat” ku
badegam da sieun
kabawa morosot ku aing.
Sakalieun aing nginjeum
modal keur dagang
cikopi, aing niat hirup
bener, sia kalah sindirsampir, babasaan teh:
“Kanggo Euceu mah
geulis ieuh, moal teu
gampil milari jalan
kahirupan sapertos Uaistri. Teu heuleumheuleum sia ngomong
kitu, samarukna teu
12
matak nyeri mapay ka
puhu leungeun sagala.”
Da jeung enyana,
sakumana nu geus
dicaritakeun ti heula,
sanggeus Aom Dotong,
Bapa Lilis maot, hirup
Lilis teh gugulawingan,
ka luhur teu sundul ka
handap teu napak. Keur
aya Aom Dotong onaman, kabawakeun ku
bapa. Agan Lilis teh
logor di panto; geus teu
indung teu bapa mah,
teu aya pisan nu mandang, nepi ka hirupna ge
kapahung. Meujeuhna ka
ditu kapahung, ka dieu
kapeungpeuk, gok amprok jeung Nyi Dampi,
atuh ku sarerea ge kaharti kumaha balukarna;
padahal Lilis teh satekateka hayang hirup jad
jalma bener, neangan
rejeki ku jalan halal.
Satungtung aya keneh
titinggal kolot mah, aya
saleuheung. Tapi titinggal didahar unggal poe
ari pangala teu aya, nu
ngajeujeuhkeun suwung,
nya lila-lila beak. Ari lilis
lain teu aya nu mikarep,
da pangartina pikeun
jaman harita mah cukup,
diajar maca nulis di Nyonya Metman, rupana
leuwih ti cukup, kawilang tegep, tapi nu luhur
ngaasa paur dumeh ka
anak ronggeng, nu handap ajrih dumeh ka
menak, komo ieu mah
randa jurutulis residen,
beu, atuh lain udagudageun simahan. Ana
geus teu pati ditampa ku
masarakat ka mana Lilis
kudu lumpat? Babari
puguh ge ari ngahukuman atawa nembleuhkeun geugeuleuh mah,
paribasa: “Panten bae da
anak ronggeng!” geus teu
make dipingkir, teu
matak dipapay deui, jebrod bae dicap “Si Lilis
ungkluk!”
Padahal mungguh di
Lilis,
geus usaha sosonsoson,
hayang hirup lulusmulus,
palias nemahan rujit,
tapi ari masarakat,
teu aya nu daek
nyambat.
Baraya ge teu
maduli,
amprok oge sok melengos,
kilangbara mun
ngarawu,
ka budak pahatulalis,
padahal naon
dosana,
ngan ku dumeh anak
cacah.
Feodal ku matak
nyeri,
bibitna adigung sombong,
ari Lilis geus tigebrus,
bet didedetkeun
sakali,
lain seug ditarulungan,
cing mana kamanusaan?
Memang, unggal
jelema pada teu resep ka
awewe bangor, boh anu
enyaan hatena saleh, boh
anu api-api saleh, dalah
awewe bangorna pribadi
Manglé 2447
14.
henteu aya nungaku yen
kalakuanana teh bener.
Tapi eta nu nyawad
ngahukuman, ngan bisa
nyawadna jeung
ngahukumanana bet,
cara ka nu gelo ngan
barisa ngaheureyan
jeung ngalalagana
wungkul, ngubaran mah
henteu. SAbaraha rebu
jumlahna awewe nu
carana tigebrus samodel
jeung Agan Lilis, Nyi
Rapiah, Nyi Sinta, Nyi
Munigar, Nyi Itu, Nyi
Ieu, ngan ukur dipoyok
sanggeus rigebrus, lain
ditarulungan dina
kokoleabanana atawa
keur gugulawinganana
keneh.
Ana ninggang dina
karep mulangkeun kanyeri cara Agan Listariah
atawa Nyi Rapiah, paribasa hayang meunang
bela dina dorakana, nya
cara banteng bayangan
atawa maung tatu, geus
teu milih itu saha ieu
saha, eta nu deuekut, eta
nu ditaladung atawa
dirontok. Awewe kitu,
basana ge: geus kapalang
bocok dihargaan moal,
doraka eukeur, matimati tigubrag hayang
ngagusur wadal. Ana
geus nepi ka dinya ceuk
jagat mah babari bae: “Si
Lilis, si Piah budina
bejad.”
Ngupat-ngawala mah
puguh ge babari,moyok
lelewe oge teu hese. Nu
hese teh migawena, nu
beurat teh ngalalakonanana.
Dina seuhna mah, nu
ngupat-ngawada teh,
upama kudu ngalakonan
pribadi, terkadang
leuwih bokbrok batan
anu dipoyokna. Da tadina ge ngan kalah
kaomong wungkul.
Memang babari
nyebutkeun Si Bejad teh!
Manglé 2447
Cek santri mah,
mung setan arek ngagoda,
sok ngadago teu eling,
mun jalma keur hilap,
keur poho ka Pangeran,
setan teh nyulusup rikip,
ngadon bebetah,
di jero ati ngancik.
Lebah dinya mah
geus teu aya pinter geus
teu aya menak nu aya
teh: jalma. Ari pinter tea,
ceuk para arif: kapinteran anu teu dibarengan
ku budi perbawana
ancur, tapi budi wungkul
teu rejeung kapinteran
perbawana mundur
(dina harti teu aya majuna).
Lilis ka Sari oge cara
maung tatu tea bae, geus
poho di kabarayaah; nya
kajurung ku nyeri ti
baraya bapa, nya sieun
ku ancaman Nyi Rapiah.
Najan kitu, Lilis teu
mambrih ari clom ari
giriwil disanggut useupna mah, geus karuhan
terang lauk lindeuk mah
diingkeun heula dijieun
ceumceuman.
Ari Sari, kawas geus
titis-tuisna kudu abus
kana pitapak, bet ka Lilis
teh jadi pogot sono,
pageuh deudeuh, nepi ka
ngaririhan hayang
diendongan lamun Aom
keur kilir, pokna mah
sok kareueung jeung
saredih lamun teua ya
batur teh. Aya pangajak
kitu. Lilis seuri di jero
hatena, da puguh eta nu
diarah ge. Najan kitu,
henteu kaciri haripeut,
teu nembongkeun atoh,
pura-pura heula, nahan
harga, hayang dipaksa.
Ti harita Lilis jadi sering pulang-anting, mondok moek di Sari ...
lamun Usman keur teu
aya. Lain ngan Lilis bae
anu sok lar-bus ka Sari
teh, tapi –ku pangatur
Lilis—aya deui budak
ngora nya kasep nya
beunghar, meujeuhna
bedas jeung rampus
sagalagalana, nya eta
Anom Belem. Ari mimitina pisan mah papanggih
di rumahbola keur aya
pesta bareot, diwawuhkeun ku Luih.
Tuluy kalan-kalan sok
nganjang, ngadon ulin,
ari keur “mudun” ti Lembang, malah sakalikalieun bendina sok
rajeun dipake ku Aom
Usman jeung Agan Sari
sabot anom di rumah
bola atawa di tempat
lian. Ka-behdieunakeun,
asal ulin-ulinan tuluy
sering nganjang, beuki
loba, beuki raket, nepi ka
Belem “bawaning ku
geus pohara layeutna”
wani meuting, basana
mah teu ludeng balik ka
Lembang. Anu biasa ari
ngendong sok di losmen
tuan Homan teh, sasat
paeunteung-eunteung
jeung rumah bola, ari
geus “asa ka dulur” kitu
mah seringna ngedong
teh di Sari, boh keur aya,
boh keur teu aya salakina. Pendekna mah
sinyoh Willem
Hoffmeyer alias Anom
Belem Kopmayar teh
pantes disesebredkeun:
Ucing-ucing eong,
buntut panjang jadi
pondok.
Ulin-ulin Anom,
urut nganjang jadi
mondok.
Lah, nya eta atuh,
dasar ka nu ngarora, rearea pisan gogodana, ana
pareng ieu loncer itu
logor, wah cek Babah
Dolar tea mah, “tau sama
tau”.
Ari iblis gogodana tea,
sok sumawonna ka nu
negrak nonggerak, atawa
nu empuk-uduh, dalah
ka nu disarigsig beusi
disakuta wadya oge
karepna mah ngan
hayang ngarungkadkeun
bae!
Cek santri mah, mung
setan arek ngagoda,
sok ngadago teu eling,
mun jalma keur hilap,
keur poho ka
Pangeran,
setan teh nyulusup
rikip,
ngadon bebetah,
di jero ati ngancik.
Ngaharewos ngajak
bari ngabibita,
kana jalan teu uni,
jalma nu digada,
sok kalinglap tingalna,
sakur paripolah iblis,
endah tembongna,
poho ka temahwadi.***
(hanca)
13
15.
Ibadah Miara Lingkungan
KuFéndy Sy. Citrawarga
U
sum ngijih, di sagédéngeun
matak atoh duméh loba cai nu
kacida pentingna keur sakumna
mahluk hirup, tapi réa nu guligah
humandeuar alatan datang musibah
rongkah mangrupa caah. Kituna téh méh
tumiba unggal taun. Boh masarakat boh
pamaréntah saolah-olah béakeun akal
ngungkulanana. Duka lebah mana
ngojotna da apan para ahli nu palinter
jeung paham kana pasualan éta piraku
suwung.
Papadaning kitu, ceuk panitén
balaréa, tumibana musibah caah atawa
banjir téh akibat lingkungan geus ruksak. Saha nu ngaruksakna? Nu sidik mah
lain ruksak alatan teu pupuguh atawa
nyindekelkeun kana takdir, tapi akibat
paripolah manusa anu teu daék tunduk
kana pituduh wahyu Alloh Nu Kagungan
alam, sakumaha nu kaunggel dina Al
Quran nu hartosna:
''Geus nyampak karuksakan di darat
jeung di lautan alatan pagawéan leungeun
manusa,
sangkan
Alloh
ngarasakeun ka maranéhna sabagéan
tina (akibat) pagawéan maranéhna
sangkan maranéhna babalik pikir (kana
jalan anu bener).'' (Surat Ar Ruum: 41)
Kitu pidawuh Alloh SWT anu tangtosna mangrupa pépéling keur urang
saréréa, pangpangna pikeun jalma anu
iman yén naon rupa anu tumiba téh
kudu jadi pangajaran, ulah diantep nepi
ka musibah téh datang deui dina waktu
séjén.
Enya, siga caah jeung sajabana, éta
téh mangrupa pépéling ka diri urang
sakabéh sangkan ngariksa diri yén urang
téh geus migawé salah. Leungeun-leungeun urang geus diantep sakarepna
ngaruksak lingkungan. Jadi, ulah
ngeuleuh-ngeuleuh angot nyalahkeun
solokan lamun leungeun urang geus
sangeunahna miceun runtah ka solokan.
Da ceuk akal gé gancang kaharti,
samangsa-mangsa runtah metet di
14
solokan, tangtu cai bakal kapendet nu
témahna mudal nu nyababkeun caah téa.
Lamun geus apal kitu, kudu kumaha
atuh? Nya buru-buru mémérés ahlak
ramijud ku nu leuwih alus sangkan mamala nyingkah. Hal éta baris kalaksanakeun lamun haté urang kacaangan ku
cahaya agama nepi ka timbul kasadaran
yén sagala rupa anu ku urang dipilampah téh baris aya balitunganana di
payuneun
Mantenna.
Ngaruksak
lingkungan siga nuaran kakayon teu
jeung adeuh, ngantepkeun taneuh ngahgar, miceun runtah ka mana karep, apan
ceuk agama mah éta téh pagawéan
dolim, sikep ngaleuwihan wates anu
kagolongkeun dosa gedé tur baris aya
wawalesna. Alloh ngadawuh:
''Saéstuna dosa téh pikeun jalmajalma anu migawé dolim ka papada
manusa jeung ngaleuwihan wates di
luhur bumi tanpa alesan anu hak. Pikeun
maranéhna nu kitu peta téh siksa anu
peurih.'' (QS Asy Syura: 42)
Kitu dawuhan Alloh anu nandakeun
yén sagala rupa anu dipigawé ku urang
téh baris aya balitunganana. Ku kituna
teu hamham deui, keur sakumna muslim mah tarékah miara lingkungan
sangkan musibah kasinglar téh kaasup
kana ibadah. Tegesna, miara lingkungan
sangkan tetep aya dina kasaimbangan
téh lain sakadar urusan duniawi, tapi ogé
bakal dicatet sabagé amal soléh.
Pagawean Dolim
Ku kituna, ngaruksak lingkungan nu
témahna ngarugikeun urang sorangan
jeung balaréa téh kaasup pagawéan
dolim, kaniaya. Siga dulur-dulur urang
anu kakeunaan musibah caah di hilir,
apan éta téh akibat urang girang anu
léléwodéh miceun runtah ka solokan.
Kitu peta téh ulah dianggap pagawéan
biasa, tapi sidik pagawéan dosa anu
mamalana kacida gedéna, bisa
megatkeun tali duduluran alatan adi-
gung bin sombong.
Rosululloh saw. ngadawuh:
''Saéstuna Alloh geus maparin wahyu
ka kami sangkan maranéh handap asor
nepi ka euweuh saurang ogé anu migawé
aniaya jeung teu aya saurang ogé anu
sombong ka nu séjénna.''(HR Muslim ti
'Iyadl bin Himar r.a.)
Dina hadis séjénna Rosululloh
ngadawuh:
''Taya dosa anu leuwih pantes pikeun
dihukum ku Alloh ka nu migawéna di
dunya jeung ahérat anging jalma anu
ngaleuwihan wates jeung jalma anu
megatkeun tali duduluran.''(HR Ibnu
Majah jeung Turmudzi)
Alatan miara lingkungan kaasup
kana ibadah téa, sawadina sakumna
pihak boh pamaréntah boh masarakat
sabilulungan, barjamaah ngajaga jeung
ngariksa. Da apan mangpaatna ogé keur
saréréa. Cindekna, lamun kaayaan
lingkungan tempat urang bumén-bumén
téh bérés roés, mangpaatna gé keur
saréréa lain baé mahluk nu kasebut
manusa tapi uteuk tongo walangtaga gé
bakal ngilu sugema. Nya kitu deui lamun
lingkungan ruksak akibat pagawéan leungeun-leungeun jelema dolim, nu
narima akibatna lain anu migawé
kadoliman tapi nu teu tuah teu dosa gé
kapécrétan. Malah dina hal ruksakna
lingkungan mah nu baroga duit ngeunah-ngeunah caricing di gedong sigrong
di mumunggang pagunungan éndah
ladang ngababad alas amer, ari urang
hilir kasapu caah rongkah.
Miara lingkungan bérés roés dina
papagon Islam bagéan tina ibadah nu
disebut sukur nimat, sabalikna ngantep
lingkungan ruksak éta téh kagolongkeun
kufur nimat.
''Saéstuna Kami geus nempatkeun
maranéh sakabéh di luhur bumi jeung
Kami nyadiakeun pikeun maranéh di
luhur bumi téh (sumber) kahirupan.
Kacida saeutikna maranéh salukuran.''
Manglé 2447
16.
(QS Al A'raaf:10)
Mangga urang lenyepan ayat di luhur
ku émutan anu leleb. Da atuh luyu
sareng kanyataan, mémang kitu pisan.
Urang anu hirup di luhur lemah, ku
Gusti disadiakeun pirang-pirang kabutuh sapopoé. Keur ngambekan disadiakeun hawa seger, na atuh dikotoran ku
haseup naon ku hanteu demi kauntungan matéri. Keur nginum disadiakeun
cai, der sumber cai diraruksak, atuh kabanjiran mun usum hujan jeung
tingkocéak euweuh cai nalika usum
halodo. Keur imah-imah disadiakeun
lembur nu merenah, der nyarieun imah
di puncak gunung. Jeung sajabana jeung
sajabana.
Amanat nu Kudu Dipiara
Saur Mang Ihin (Solihin GP, Gupernur Jawa Barat mantén), caah nu tumiba
di wilayah Kota Bandung alatan leuweung teu kapiara. Teu anéh lamun ray
poé ray poé caah mingkin rongkah. Sabalikna usum halodo rahayat ngocéak
kurang cai. ''Leuweung ruksak, cai béak,
rahayat balangsak,'' saurna. Hal ieu téh
akibat leuweung di mumunggang Kota
Bandung diruksak dijadikeun padumukan saperti vila, apartemén, jeung
wawangunan séjénna nepi ka robah jadi
leuweung beton.(''PR'', 31/12/2012)
Cindekna mah perelu kasadaran ti
unggal diri yén sakali deui lingkungan
hirup anu dianugrahkeun ku Alloh ka
sakumna mahluk hirup di bumi ieu téh
mangrupa amanat anu kudu dipiara, lain
diruksak sakarep-karep. Keur naon éta
anugrah nimat anu sakitu gedéna téh?
Taya kajaba keur nyumponan pancén
ibadah ka Mantenna. Enya, saméméh
manusa gubrag ka alam dunya apan
sagala kaperluanana mah geus dicawiskeun kalayan kumplit. Pangandika
Alloh SWT:
''Jeung Kami geus ngajadikeun
pikeun maranéh di dunya téh pangabutuh hirup jeung (Kami nyiptakeun
ogé) mahluk-mahluk anu maranéh saeutik ogé lain anu ngarejekian
maranéhna.''(QS Al Hijr: 20)
Tada teuing bakal sangsarana lamun
urang hirup di dunya teu dibarengan ku
rejeki minangka kaperluan sapopoé
kayaning dahareun, inumeun, pakéeun,
tempat reureuh, jeung sajabana. Da
puguh Alloh tos jangji yén Anjeunna teu
samata-mata nyiptakeun jin jeung
manusa anging pikeun nyembah ka
Mantenna. Nu matak, sangkan jongjon
mancén ibadah, sagala kaperluan hirup
manusa téh dicumponan sakumaha nu
kaunggel dina ayat di luhur.
Manglé 2447
Ari dina prakna manusa téh boroboro jongjon ibadah da puguh
lingkunganana ogé kalah diraruksak.
Maranéhna ngagugu hawa napsu
ngudag kangeunahan sajongjongan, teu
ngingetkeun keur ka hareup. Abong enya
manusa boga kawasa sabagé khalifah,
teu inget ka mahluk séjén anu sanyatana
mah gedé jasana keur hirup manusa.
Enya ningan lamun caah, lamun leuweung ruksak, apan sasatoan boh ingoningon boh sato liar sarua balangsak.
Dina ayat séjén Alloh nguningakeun:
''Anjeunna anu geus nurunkeun cai
hujan ti langit pikeun maranéh,
sabagéanana keur inuman jeung
sabagéanana (nyuburkeun) tutuwuhan
anu dina (tempat tumuwuhna) maranéh
ngangon ingon-ingon maranéh.''(QS An
Nahl ayat: 10)
Ulah Digunasika
Ayat di luhur kalayan tandes maparin gambaran yén Alloh geus nyiptakeun
lingkungan anu harmonis ku nu sarupa
nyaéta cai. Teu kasawang bakal ripuhna
hirup mahluk di dunya angot nu
kasebutna manusa nu boga pancén
salaku khalifah lamun teu disayagian cai.
Teu héran lamun lelewek anu ceuyah cai
sok disebut tempat nu subur mamur da
puguh cai mah mangrupa kabutuh poko
hirup manusa. Dina kaayan kitu, kuduna
mah dina diri manusa gé subur ku iman
jeung amal soléh.
Iman jeung amal soléh anu subur
dina diri jalma, baris ngadatangkeun
rohmat atawa kahéman ti Alloh. Sabalikna lamun ngaruksak, baris tumiba lanat.
Ku kituna, sakali deui, pacuan naon
rupa ciptaan Alloh nu geus merenah téh
ulah rék digunasika deui sangkan
rohmat Alloh sumebar dina kahirupan
urang saréréa. Mangga urang lenyepan
deui pidawuhNa:
''Jeung pacuan maranéh nyieun
karuksakan
di
luhureun
bumi
sanggeusna (Alloh) merenahkeunana
jeung prak ngadunga ka Mantenna binarung rasa sieun (hamo ditarima) jeung
pangharepan (baris dikobul). Saéstuna
rohmat Alloh kacida parekna ka jalmajalma anu migawé kahadéan.'' (QS Al
A'raaf: 56)
Tina pirang-pirang dalil boh Al
Quran atanapi Al Hadis kapanggih yén
geuningan mangpaat tina amal soléh
atawa nerapkeun amal soléh téh lain baé
ibadah-ibadah ritual siga solat jeung
zakat katut sajabana, tapi ngariksa
lingkungan hirup ogé kaasup amal soléh
anu kacida pentingna. Da geuningan,
buktina mah amal-amal ritual naon baé
ogé teu burung ngantét jeung lingkungan hirup. Solat upamana. Apan nu
disebut sahna solat téh kudu cumpon
rukun jeung sarat sahna. Di antara sahna
solat lamun urang beresih tina hadas
boh gedé boh leutik. Anapon cumponna
hadas beresih téh nya ku ayana cai. Cai
ogé teu sagawayah, tapi kudu cai nu
nyumponan kriteria hukum pikih nyaéta
cai anu suci. Ku sakitu ogé geus katoong
pentingna cai sangkan terus sayagi
ngarah urang bisa solat atawa ibadah ka
Alloh. Kumahana urang bisa solat lamun
teu boga wudu/adus lamun urang teu
boga cai anu suci tina najis. Kumahana
disebut cai suci lamun cai pinuh ku
kokotor alatan cai
sumur kaserepan cai walungan, cai
laut, atawa kabanjiran pisan.
Sedengkeun urang solat téh dipiwarang husu sakumaha pidawuh
Alloh:
''Riksa sakabéh solat maranéh jeung
jaga solat wustho. Jeung prak ngadeg
pikeun Alloh (dina solat) kalayan
husu.''(QS Al Baqarah: 238)
Harti husu di dieu, lain baé cumpon
sarat jeung rukun solat, tapi ogé ngariksa
wasilah-wasilahna di antarana lingkungan tempat urang saréréa hirup kumbuh. Tegesna mah miara amal soléh anu
sahusu-husuna sangkan kasinugrahan
kabagjaan boh di dunya boh di ahérat
jaga.
Apan pangandika Alloh ogé: ''Pikeun
jalma-jalma anu migawé kahadéan, dicawisan ganjaran anu kacida alusna
(sawarga) jeung tambahanana (nimat
ningali
Alloh),
jeung
beungeut
maranéhna henteu ditutupan lebu hideung jeung taya kahinaan. Maranéhna
téh padumuk sawarga, maranéhna
langgeng di dinyana.'' (QS Yunus: 26)
Pamungkas dadaran, manawi aya
pulunganeunana,
mangga
urang
lenyepan peperenian ki juru pantun:
''Ngiuhan handapeun sasak,
ngadon diuk dahar sirsak.
Lingkungan ulah diruksak,
sangkan hirup teu balangsak.''
''Ceu Mumun urang Cisalak,
nénjo sawah ngarakacak.
Mun lingkungan diraruksak,
ibadah gé moal mecak.''
''Tumpak délman jeung Kang
Wawa,
di tikungan bet ngajega.
Pageuhan iman jeung takwa,
ngarah lingkungan kajaga.''
***
15
17.
Tanya Jawab MunaraCahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Hukum Puasa Arofah
Patarosan:
Tumaros perkawis hukum puasa
Arofah kanggo jama’ah haji sareng
puasa salapan dinten dina awal sasih
Rayagung (Dzulhijjah). Kumaha afdolna? sareng kumaha katangtosanan.
Hatur nuhun.
Wassalam
Najmudin
Rancaekek Bandung
Waleran:
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Sanaos kantos dibahas dina edisi
kapengker-kapengker, namung teu
sawios urang bahas deui. Mudah-mudahan aya mangpaatna, utamana nu
teu acan maos waleranana dina Mangle
nu ngamuat topik sapertos kieu. Atuh
hususna mah, aya mangpaatna ka nu
naroskeun.
Sasih Rayagung (Dzulhijjah) kalebet bulan suci (Syahrul Hurum,
atanapi Syahrul Harom), dumasar
kana katerangan, nu diantarana ti Abu
Hurairah, Rosululloh SAW ngadawuh:
“Waktu dina sataun muter sakumaha
kaayaanana nalika Alloh nyiptakeun
bumi sareng langit. Sataun jumlahna
aya dua belas bulan, di antarana aya
opat bulan haram (bulan suci). Tilu
bulan ngaruntut, nyaéta bulan
Dzulqa’dah, Dzulhijjah, Muharram.
Anu sabulan deui nyaéta bulan Rajab
anu aya di antara bulan Jumadil Akhir
sareng Sya’ban (HR. Bukhori-Muslim). Kumargi opat bulan éta kalebet
bulan suci, mangka Alloh ngalarang ka
Rosululloh SAW sareng ka umatna
dina waktu harita pikeun ngayakeun
peperangan sareng kaum kafir. Samentawis bulan Romadon anu tos umum
ku umat Islam Indonesia disebat bulan
suci, mangka henteu kalebetkeun kana
katerangan Hadits anu disebat di
luhur.
Dalil-dalil di luhur, ditétélakeun
16
yén sasih Rayagung (Dzulhijjah) mangrupa salahsahiji sasih dina taun Hijrah
anu kacida mulya tur agung. Dina sasih
ieu aya anu disebat poé Arofah nyaéta
poé Haji Akbar, sadaya jama’ah haji ti
saantero alam dunya kumpul
ngalaksanakeun wukuf di Arofah. Ku
hal éta umat dianjurkeun ngalaksanakeun ibadah solat sunat ‘Idul Adlha
sareng ngalaksanakeun kurban keur
nu mampuh.
Ku kaagungan sasih éta, Rosululloh
SAW. kantos ngadawuh: “Poé anu paling utama nyaéta sapuluh poé di awal
sasih Rayagung. Lajeng Rosul ditaros:
Naha aya anu saperti kitu dina jihad fi
sabilillah? Rosul ngawaler: Henteu aya
anu saperti kitu dina jihad fi sabilillah,
anging jalma anu ngorbankeun dirina
jeung hartana nepi ka teu balik deui
sagalana, tegesna maot.” (HR. Imam
Bukhori, Abu Daud, sareng Turmudzi).
Margi kitu, ningal kautamaan éta,
Rosululloh SAW. nganjurkeun ka
umatna supaya ngalakukeun puasa
sunat dina salapan poé awal sasih
Rayagung, sakumaha pidawuhna:
“Saéstuna Rosululloh SAW. Nalika
anjeunna masih jumeneng ngalaksanakeun puasa salapan poé dina sasih
Rayagung, teras dina kaping sapuluh
bulan Muharram, sareng saban bulan
dina dinten Senen sareng Kemis.” (HR.
Abu Daud).
Anapon kautamaan sapuluh poé
awal sasih Rayagung disebat ogé dina
Alquran Surat al-Fajr ayat 1-2 anu
unggeulna: “Perhartikeun balebat
(Fajar) jeung peuting anu sapuluh”.
Jumhur ulama tafsir mufakat yén anu
dimaksud sapuluh peuting, nyaeta sapuluh poé dina awal sasih Rayagung.
Tapi aya ulama anu nyebatkeun sajabi
ti sapuluh poé awal sasih Rayagung,
ogé maksadna kaping sapuluh sasih
Muharram, sahingga dina poé ieu
Rosul nganjurkeun ka sadaya umat
Islam supaya ngalaksanakeun puasa
sunat, anu disebat “Puasa ‘Asyuro”.
Salajengna, anu dimaksud puasa
Arofah nyaéta puasa sunat dina tanggal
9 sasih Rayagung. Hal ieu dumasar
kana Hadits Rosululloh SAW anu
sumberna ti Abu Qatadah. Anjeuna
nyarios wiréh Rosul kantos ngadawuh:
“Saéstuna puasa Arofah tiasa mupus
dosa sataun saméméhna, sareng dosa
sataun anu bakal datang.” (HR. Muslim sareng Turmudzi). Para ulama
mufakat, puasa Arofah ieu hukumna
sunat, sareng disunatkeun ngan
wungkul ka anu henteu tiasa
ngalaksanakeun
ibadah
haji.
Sedengkeun keur nu ngalaksanakeun
ibadah haji, para ulama béda-béda
pamadegan. Yahya bin Said al-Anshari
nyebatkeun henteu kalebet sunat
hukumna puasa Arofah pikeun nu
ngalaksanakeun ibadah haji. Pamadegan ieu sakumaha diagem ogé ku
Utsman bin Abi Ash, Sufyan al-Tsauri
sareng Ibnu Zubair kalebet Imam
Syafi’i.
Anapon Hadits anu aya patalina
kénéh, katerangan nu dicandak ku Abu
Hurarah, nyebatkeun saéstuna Rosululloh SAW. ngalarang puasa Arofah di
Arofah (HR Abu Daud sareng Ibnu
Majah). Lajeng Hadits sanésna anu
sumberna ti Ummi Maemunah nyebatkeun, saéstuna jalma-jalma ngarasa
ham-ham ngeunaan puasa Rosul dina
poé Arofah. Lajeng maranéhna ngintun susu ka Rosululloh nalika mantena
wukuf di Arofah, teras mantena
ngaleueutna bari kasaksian ku sadaya
anu haladir.” (HR. Bukhori Muslim).
Tina dua Hadits ieu, tiasa disimpulkeun wiréh puasa Arofah pikeun
jama’ah haji henteu kalebet sunah,
margi henteu kantos dicontokeun ku
Rosululloh SAW., sok sanaos aya Hadits anu nyebatkeun Rosululloh SAW
kantos ngalaksanakeun saum nalika
wukuf di Arofah. Tapi hadits ieu nurutkeun mayoritas ulama Hadits, kalebet
do’if , boh tina matanna boh tina
sanadna. Sakitu nu tiasa diwaler, hapunten bilih waleranana kirang sampurna.***
Manglé 2447
18.
Napak Jagat Pasundan
NgiderDayeuh Mapay Lembur
M
anusa, mahluk sosial anu teu
weleh hirup silaturahmi dina
beungkeutan silih asah, asih
silih asuh, silih pihapékeun, silih pikanyaah jeung papadana. Kituna, Lain
baé nyaah jeung papada manusana
wungkul tapi deui misti raket dalit
jeung mahluk séjénna. Nempatkeun
diri jeung merenahkeun kahirupan di
dunya, manusa saestuna kudu raket
dalit jeung alam. Naon pangna kitu,
sabab lalakon hirup manusa di alam
teh henteu ngan ukur ngalajur sakarep
insunna wungkul, tapi deui kauger
jeung wajib hukumna, lian ti ngamangpaatkeun ieu alam jeung eusina teh, nu utamana kudu
getol miara sahadé-hadéna.
Ngawujudkeun kapancegan
diri perelu nanjeur keun sikep
jujur jeung kaihlasan. Sabab,
kajujuran jeung kaihlasan
mangrupa ajén (kualitas) manusa anu baris mawa léngkah
jeung piléngkaheun ka hareup
anu ajeg dina adeg-adeg. Pon
kitu deui dina titincakan kudu
nété tarajé nincak hambalan.
“Tah, apan disaban manusa
aya atikan hirup jeung kahirupanana. Salasahiji alat ukurna
nyaéta atikan, boh atikan formal boh non formal. Dina
atikan formal ulah ngarasa
reueus pédah geus nyumponan pinter jeung cerdas wungkul. Tapi, di satukangeun éta
aya ajén nu leuwih luhung tur
mapakan tina ukuran kapinteran jeung kacerdasan manu-
Manglé 2447
harita kacida rempegna, salian ti ais
pangampih Sundawani Wirabuana nu
dina kapamingpinan Roby Maulana
Zulkarnaen, oge para seniman budayawan petingan, diantarana, Aat
Suratin, Tisna Sanjaya, Mira Gnagey,
Doel Sumbang, Taufik Faturohman.
Digelarna kagiatan, Roby netelakeun
miang tina geter manah sarta rumasa
prihatin ku alatan obahna laku lampah
manusa nu geus poho kana wiwitan
jeung jati dirina, geus teu mirosea
jeung apilain kana ajen inajen budaya
titinggal karuhunna. Manusa geus
poho kana jati diri jeung geus teu
ngupama kana adeg-adeg Kasundaanana. ”Mudah-mudahan ku digelarna gerakan budaya ieu baris cengkat
sumanget para nonoman Sunda, tandang makalangan, midangkeun kaparigelanana boh di lemah caina
(lokal) boh di tatar nasional, pon kitu
deui di intenasional” Kitu kedalna
Roby sumanget naker. Nu jadi udagan
ku digelarna Napak Jagat Pasundan,
Roby netelakeun deui minangka salasahiji tarekah
ngahudang sumangetna patekadan saamparan sabaraya
rasa nu dirojong ku para seniman jeung budayawan anu
ajenna henteu wae kawatesanan enggoning ngamumule
budaya, tapi deui ku pok-pek
jeung prak-prakan gerakan
(eksen) nu nyata.
Kagian Napak Jagat Pasundan 2013 baris digelar di 19
zone kabupaten kota di Jawa
Barat, munggaran digelar di
Lapang Dadaha, Tasikmalaya
(19/10 2013).
”Insya Alloh, kagiatan Napak Jagat Pasundan ieu baris
jadi pangirutan balarea. Diolah kalawan daria, beda ti
biasa, salian ti midangkeun
hiburan seni, acara ge baris
Ketua Umum Paguyuban Pasundan (kadua ti katuhu)
ngajurung laku jeung sumanget kana kagiatan
direumbeuy ku dialoh budaya
Napak Jagat Pasundan 2013
deuih,” pokna.***
sa. Nyaéta atikan moral.
Eta hal dikedalkeun Ketua
Umum Paguyuban Pasundan
Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi,
M.Si., basa ngajurung laku kagiatan gerakan budaya ’Napak
Jagat Pasundan Ngider Dayeuh
Mapay Lembur’ rancage gawe
babarengan Paguyuban Pasundan jeung Sundawani Wirabuana.
Harita, Ketua Umum Paguyuban
Pasundan ngajurung laku, ngahudang
sumanget kana eta kagiatan, bari mapatkeun sajakna, anu ngahudang sumanget gerakan budaya Ki Sunda
geusan tandang makalangan di tataran
nasional. ”Prung tarung padungdung.
Ki Sunda masing jaya di buana,” kitu
jurung laku sumangetna Ketua Umum
Paguyuban Pasundan tandes naker.
Kagiatan gerakan budaya napak
jagat pasundan 2013 ’ngider dayeuh
mapay lembur’ dipitembeyan di Babakan Siliwangi (Baksil) kota Bandung,
sawatara waktu ka tukang. Nu hadir
17
19.
Lalaki dina Jandéla
CarponDian Amaliasari
M
inggu ieu
Bapa kuring mimiti gawé
di kantor
nu anyar. Ngarah deukeut,
Bapa meuli imah nu teu
jauh ti kantorna. Kuring,
Ema, Wati, milu pindah ka
imah anyar. Kuring sakulawarga atoh pisan sabab
imahna rada gedé batan nu
kamari.
Kuring jeung Wati gé
boga kamar sorangan ayeuna mah, matak moal aya
deui perang suten hayang
dicaangkeun atawa dipareuman lampu ari waktuna
saré. Kuring jeung Wati selang béda umur dua taun,
tapi pasipatanana béda
pisan. Wati mah gancang
akur jeung batur ari kuring
cicingeun jeung teu resep
abring-abringan cara Wati.
Pindah ka dieu téh kakara
saminggu ka tukang, tapi
18
kuring geus ngarasa betah
sanajan lolobana mah cicing
waé di kamar. Tuda hayang
boga kamar sorangan téh
geus jadi impian kuring ti
baheula kénéh, tapi kakara
kacumponan ayeuna. Eta
kamar téh ku kuring dihadéhadé sangkan kuring nu
nyicinganana leuwih betah
keur nyumangetan diajar.
Témbokna dicét héjo pucuk
daun, lomari buku jeung risbangna warna bodas, bukubuku diéntép dirapih-rapih
sangkan teu hésé néang ari
butuh. Ah pokona mah
betah! Leuwih betah ayeuna
mah di kamar téh, moal
matak kaganggu nanaon.
Pasosoré ari tas balik
sakola kuring sok buru-buru
mandi, barang dahar, tuluy
ka kamar.
Keur anteng maca buku
bari diuk dina palang dada
jandela, kuring ujug-ujug
teu puguh rarasaan jiga aya
nu merhatikeun. Ari dilieuk
téh enya wé, hiji lalaki nu
taksiran umurna luhureun
kuring keur ngajanteng
ningali ka kuring di jandéla
peuntaseun imah. Kuring
reuwas, buru-buru wé kuring asup ngajauhan
jandéla. Kuring diuk dina
kasur, kabayangkeun cara
manéhna ningali kuring ku
mata kosong. Sieun sakaligus panasaran. Kuring teu
wani deui ngadeukeutan
jandéla.
Pukul satengah genep
kuring kaluar ti kamar muru
ka rohang tipi. Teu anéh
unggal soré aya Ema jeung
Wati keur lalajo sinétron.
Gék kuring diuk nyanghareupan tipi, milu lalajo
sinétron.
“Tara-tara lalajo sinétron?
Bosen nya di kamar waé?”
ceuk Ema nu kakara nanya
basa sinétronna kaselang ku
iklan. Kuring ngan ukur
robah diuk bari nanggeuy
gado. “Nya, sakali-kali mah
atuh keun baé lalajo sinétron gé Ning, ngarah teu
bosén. Hiburan. Tong cicing
waé di kamar.” Ceuk Ema
deui. Kuring angger teu
némbalan, ngadon cemalcemil nyingkahan kareuwas
nu tadi. Sinétron maén deui.
Ema, Wati, aranteng deui
lalajo sabot kuring kumalayang inget ka lalaki nu
tadi.
“Lalaki dedegan jangkung
leutik, buuk gondrong acakacakan, matana leutik,
keureutan urang Arab katingalina mah. Pakulitanana
teu pati jelas da kuring
kaburu reuwas mantén.
Tapi kunaon bet ningali kuring jiga kitu?” kuring
norowéco dina haté.
Teu karasa geus pukul
salapan. Ema geus tibra di
kamarna sabada sinétron
bérés, Wati kitu deui tibra
dina korsi hareupeun tipi.
Ari kuring? Rék ka luhur téh
mandeg mayong, jadi nambahan kasieun padahal mah
geus tunduh pisan.
Tungtungna kuring saré
duaan jeung Wati dina korsi
hareupeun tipi.
“Geuningan sararé di
dieu? Apan geus baroga
kamar sorangan-sorangan?”
ceuk Ema subuh-subuh.
Kuring nguliat, hudang,
ka cai, tuluy shalat di kamar.
Poho nu geus kaalaman soré
kamari, matak asup ka
kamar téh biasa wé teu inget
nanaon. Sanggeus shalat,
sanggeus ngaji, rék ganti
baju seragam sakola kuring
kakara inget jandéla teu ditutup sapeupeuting. Lalaunan kuring ngadeukeutan
jandéla bari ningali ka lebah
jandéla nu aya lalaki téa.
Kosong. Euweuh sasaha.
Kuring longsong. Jandéla
buru-buru ditutupkeun,
gesat-gesut dangdan, tuluy
turun deui muru sasarap jieunan Ema.
Bérés sasarap kuring indit
ka sakola bareng jeung Wati
Manglé 2447
20.
ogé Bapa. Simpé,kawas euweuh nu nyicingan basa
kuring ngahajakeun ningali
imah nu aya lalakian téa. Ditilik-tilik imahna mah beresih, tatangkalan kariksa,
ngan pager nutup bari
dikonci.
“Ngalamun waé Ning, kunaon?” ceuk Bapa bari
nyupiran.
“Ah henteu, Pa.” Kuring
ngajawab singget.
“Bener teu nanaon?”
“Muhun... “ ceuk kuring
bari imut. Sanepina di sakola, kuring teu pati inget ka
éta lalaki, inget-inget deui
téh basa kuring balik deui ka
imah wé.
Saperti biasa balik sakola
téh kuring tuluy ka kamar,
neundeun kantong dina
méja belajar. Rap nyokot
anduk tuluy mandi. Ngelol
deui kuring ka jandéla,
kosong, euweuh sasaha.
Buru-buru kuring ka handap. Sanggeus mandi, ganti
baju jeung shalat, kuring
barang dahar sakur nu aya
dina méja.
“Ning, urang balanja yu?”
ceuk Ema.
“Balanja naon?” kuring
malik nanya.
“Urang balanja kueh wé
ka supermarkét nu deukeut” ceuk Ema.
“Kuéh naon, Ma? Pan itu
gé aya kénéh?” Kuring
nanya deui.
“Kieu, Ning. Tadi basa
Ema ka warung rék meuli
minyak panggih jeung Ibu
Rudi, nu imahna aya tangkal dalima téa ningan. Tuluy
ngobrol, manéhna poé ieu
téh kabagéan méré dahareun ka Jang Uloh nu cicingna hareupeun imah
urang pisan.” Ceuk Ema
nyarita.
Kuring ngagebeg. “Jang
Uloh? Nu dipayuneun bumi
urang? Kunaon kitu, Ma?”
kuring panasaran.
“Enya, di hareupeun imah
urang téh aya hiji lalaki
hirup sorangan. Umurna
mah sarualah jeung Ening.
Manglé 2447
Manéhna ditinggalkeun ku
kolotna da indung téréna
embung ngurus, beunang
ku disiksa wé éta budak téh
nepi ka gering.
Saditinggalkeun téh euweuh nu ngurus sagala rupana, cul wéh. Ukur Mang
Unang wé nu sok bulakbalik ka dinya téh, maturan
jeung ngurus sabisa-bisa ari
geus bérés ngajemputan
barudak sakola.
Kituna teh pédah Mang
Unang baheulana kungsi
jadi supir bapana. Beuki ka
dieu budak téh cenah beuki
embungeun nanaon.
Sakapeung mah sok hing
waé ceurik mun keur
disanghareupan ku Mang
Unang téh.
Nu disebut ngan indungna nu geus taya dikieuna. Tara daék diajak ka
luar, tara daék panggih
jeung batur, cicing wé di
imah. Nu matak, ibu-ibu di
dieu mah cenah sok sakali
éwang méré dahareun keur
manéhna jeung Mang
Unang. Atuh urang gé kitu
wé nya? Anyar-anyar ogé,
komo hareupeun imah
pisan mah.” Ema nyarita
nepi ka kuring bérés barang
dahar. Kuring teu ngajawab
nanaon, ngan kapanasaran
kuring beuki nambahan
hayang leuwih nyaho ngeunaan manéhanana.
“Hayu atuh Ma, karunya
ari kitu mah” ceuk kuring
sumanget.
Deregdeg kuring jeung
Ema indit ka supermarkét.
Sanggeus balik balanja,
Mang Unang geus nyampak
di imah rék mawa dahareun.
“Mang, kénging ngiring
kitu? Maksad téh badé
sakantenan silaturahmi
wé..” ceuk kuring.
“Enya Mang, bari hayang
ningali wé. Sugan atuh ari
deukeut mah ku abdi tiasa
katalingakeun ongkoh.”
Ema negeskeun.
“Mangga upami teu répot
mah, hayu” ceuk si Emang.
“Assalamu’alaikum Den..
Ieu Emang“ kitu si Emang
ngabasakeun téh. “Tingali,
ayeuna mah Emang ka dieu
téh sareng Ibu Dede, tatanggi Den Uloh nu énggal.
Hoyong terang cenah ka
Den Uloh.”
Geus apaleun pisan Mang
Unang mah lebah-lebahna
éta imah, geus teu asa-asa
kaluar asup gé. Bari kitu téh
kuring mah bari pepereket
nyepengan ka leungeun
Ema, luak-lieuk ningali
saeusi imah. Beresih. Euweuh nanaon iwal ti risbang
Jang Uloh jeung tipi. Pajar
téh ngarah teu keueung teuing lamun Emang saré di
dieu, da Mang Unang mah
di dieuna gé nyorangan.
“Den, tingal ka dieu.
Salim heula ka Bu Dede. Da
Den Uloh mah pinter nya?”
ceuk Mang Unang ngolo ka
manéhna. Manéhna tungkul, murungkut di juru risbang embung ningali ka nu
datang.
“Ieu, Ibu gaduh tuangeun
sakedik kanggo Cép Uloh.
Dituang nya? sakantenan
nepangkeun, Ibu tatanggi
Cép Uloh nu énggal, bumi
Ibu dipayuneun pisan bumi
Cép Uloh. Taah ieu putra
Ibu, Nining. Nu saurang
deui mah tacan wangsul
sakola” ceuk Ema. Manéhna
angger tungkul nepi ka kuring jeung Ema ninggalkeun
éta imah.
Ti harita, manéhna sok
sering katingali tina jandéla
lamun kuring keur ngahaja
diuk dina jandéla bari maca
novel. Kitu deui kuring nu
geus tara reuwas atawa
sieun mun manéhna nangtung hareupeun jandéla.
Nepi sababaraha waktu mah
kuring jeung manéhna sok
paadu teuteup. Silih imut
dina waktu-waktu nu sarua.
Isuk-isuk saacan indit
sakola jeung pasosoré mun
kuring balik sakola. Aya
sumanget nu karasa ku kuring sanajan kuring jeung
manéhna ngan ukur silih
teuteup jeung silih imut.
Sugan jadi ubar haté keur
manéhna gé nu keur gering.
“Niiing....” Ema ngageroan. “Niiing... kadieu! Aya
tamu.”
“Muhun sakedap. Aya
saha kitu Ma?” ceuk kuring.
“Kadieu wé.” Ceuk Ema.
Kuring turun tangga téh jadi
rurusuhan. Barang srog téh,
Mang Unang jeung manéhna. Rada pangling, beresih batan mimiti papanggih.
Buukna rapih, sanajan
manéhna tetep katingali
embung panggih jeung
batur.
“Ieu cenah, Mang Unang
badé amitan.” Ceuk Ema ka
kuring.
“Badé kamana kitu
Mang?” nanya ka Emang
bari rérétan mah ka manéhna.
“Muhun, badé amitan.
Emang badé wangsul heula
ka lembur, itu pun anak
cenah hoyong waé pendak.
Dén Uloh gé badé dibantun
wé. Hawatos di dieu teu aya
nu ngurus. Rada lami
rupina mah, Bu, Neng.
Upami teu aya pambengan
nya panginten ka dieu deui,
upami henteu mah panginten ngalongokan bumi wé
bilih aya nanaon.” Mang
Unang ngajelaskeun.
“Mangga atuh Mang,
keun bumi mah panginten
sakali-kali ku abdi gé kalongokan. Wilujeng, sing
salamét dugi ka lembur.
Mudah-mudahan Cép Uloh
gé kabangbrangkeun manahna nya Mang? Ieu mah
sakedik kanggo bekel di
jalan.” Ceuk Ema bari ngasongkeun amplop keur
nambahan ongkos Mang
Unang.
Jung Mang Unang jeung
manéhna indit ninggalkeun
imah kuring, ninggalkeun
imah manéhna, ninggalkeun jandéla tempat mimiti
kuring ningali manéhna.
Ayeuna mah kari tapakna
basa kuring diuk dina jandéla unggal soré.***
19
21.
Haté Pamajikan
Carpon DadiMargana
M
eunang
hayang
puguh
gé boga
imah sisi
jalan téh. Ku kabeneran
dipicangcam ti baheula
mula, ayeuna sasat kabiruyungan. Tekal-tekil
mélaan kuru cileuh kentel peujit. Ku sasaha ogé
kasawang gaji Pe En Es
butitina jaman kiwari.
Gaji sabulaneun kadangkadang boroampar nyésa
nepi ka tanggal bulan
hareupna, mimindengna
sapat di tengah jalan.
Ngingetkeun pangala
unggal bulan, ku saréat
mah asa hamo bisa
nyengsarkeun pikeun
boga imah. Tapi da teu
kitu mungguhing Pangéran mah. Sagalana teu
aya anu mustahil. Buktina anu kaalaman ku
diri. Asal keyeng tinangtu
pareng, sanajan struk gaji
rimbil ku potongan ti ditu
ti dieu ogé, tamada wé ...!
ari geus kumaha deui nya
kulan!
Loba leuwihna boga
imah sisi jalan téh. Ka
ditu-ka dieu babari
ngadongkangna, pikeun
sakuringeun di antarana
lamun rék indit gawé jadi
leuwih babari. Kari megat
mobil hareupeun imah.
Balikna nya kitu kénéh.
Puguh kaliwatan pisan ku
jalur angkutan padesaan.
Sakalieun balanja kaperluan sapopoé, boh rék ka
pasar boh ka toko anu
aya di kota kacamatan,
henteu barabé deui.
Salian anu ditataan
bieu, aya deui onjoyna
boga imah sisi jalan téh.
20
Lamun pareng meneran
hadé poéna, komo poé
pakanci mah, sakalieun
ngadaweung di tepas
imah, sok nambah matak
resep. Asa ku loba tetempoan. Pangpangna jalma
anu lalar liwat kandaraan
anu meneran liwat hareupeun imah.
Jiga harita poé Ju’maah
pasosoré, kabeneran geus
dua poé taya hujan.
Patoja’iah pisan jeung
kamari-kamarina, méh
parat dua minggu
katukang mah, henteu
beurang, henteu peuting
hujan turun taya kendatna. Dibaturan ku pamajikan cara sasari lamun
hadé poéna sok ngahajakeun ngadaweung di
tepas hareup. Ngobrol
ngaler ngidul ka ditu ka
dieu. Obrolan anu sipatna enteng marengan nginum cikopi haneut.
Lalawuhna mah saayaaya we anu nyampak.
Sakalieun ngahajakeun
paling meuli ti warung
peuntaseun imah. Bosen
ngobrol kaselang ku
maca koran atawa majalah.
“Asa ku hade poe téh
nya, Kang!” pamajikan
ngamimitian cumarita,
kituna bari nunada majalah dina meja anu
cikeneh mentas dibaca.
Omonganna teu dietembal! Kadenge-kadengena mah, tapi kagok
keur pogot maca koran,
puguh ge. Ongkohongkoh we tonggoy kana
bacaeun!
“Ieuh... baku ari geus
Manglé 2447
22.
tara ngadengekeun
omongan pamajikantéh!”
Neni, anu jadi pamajikan
maiod, pangrasana omonganana teu dipalire.
“Enya puguh ge kitu,
Nen! Kawasna mah rek
maju dangdarat.
Apan geus rek April
saminggu deui oge.” Eleh
deet, bari nutupan koran,
nyelang heula nempo beungeutna sieun kateterusan baeud.
Sanajan rumah tangga
geus meh sapuluh taun,
lamun pareng keur ngobrol, ngabasakeun ka pamajikan cukup ku ngaran
wae. Munasabah! Bisa
jadi lantaran salila rumah
tangga sakitu lilana encan
wae diparengkeun boga
turunan. Boga rasa henteu kagok nyebut ngaran
sabab can boga budak.
“Dina koran diwartakeun hahargaan kabutuhan poko mimiti
tingtararekel deui! ceuk
pangrasa Akang naekna
gaji bulan April téh asa
taya hartina ari kitu
mah.”
“Keneh-keneh tea wae
panginten Kang, ari kitu
mah kasebutna.”
Obrolan kuring duaan
kandeg nepi ka dinya.
Kasapih ku panggero
tatangga nu kabeneran
ngaliwat hareupeun imah.
“Wilujeng sonten, Pa
Guru!” Pa Rosadi anu
imahna di tungtung lembur beulah kulon.
Kayungyun tukangeunana
Bu Ida, ingkang garwa
anu oge sarua darehdeh
tandana miconggah.
“Barade angkat ka
mana atuh, ieu téh...?”
Kuring gasik nembalan
panggero, disusul tepus
ku pananya basa-basi.
“NGahaja we jalanjalan, Pa Guru! Kaleresan
geuning nuju sae dintenna.” Bu Ida ngilu
Manglé 2447
mairan.
“Naha murangkalih
henteu aya anu ngiring?”
Pamajikan ngilu nembrong.
Encan oge Pa Rosadi
jeung Bu Ida nembalanan
pananya pamajikan,
kaburu kaganggu manten
ku dua budak anu lumpat
bari patingirihil suka
seuri silihsirig.
“Geureuheun Ibu! Sakitu budak piindung
wungkul, teu kalias ngaringkang, sakalieun ka
buruan ge teu weleh ngikintil,” Bu Rosadi anu
nembalan téh.
Sajungna pa Rosadi
sarimbit amitan, ceg deui
kana hanca bacaeun.
Kareret pamajikan ngojengkang ka jero imah.
Teu kungsi lila norojol
deui bari nanggeuy gelas
dieusi cikopi. Sanggeus
merenahkeun gelas dina
meja, gek diuk dina korsi
urutna tadi.
“Lamun diparengkeun
boga budak kawas bu Ida,
tada teuing resepna, moal
sepi teuing,” kadenge
manehna humandeuar.
Lain sakali dua kali
manehna nyarita kitu.
Geus bosan ngadengena!
Harita oge teu dipalire,
diantep we. Keur barang
mimiti mah nyarita kitu.
Sok gancang dilelemu,
bari diyakinkeun yen sok
sanajan teu diparengkeun
boga turunan, tapi pikeun
kuring mah rumah tangga
jeung manehna ngarasa
bagja bae. Jeung enyana
kuring mah nyarita kitu
téh. Lain teu hayang boga
budak cara batur, tapi
kuring sadar tumamprak
kana kadar papasten ti
Gusti. Sok sanajan
sakapeung mah osok oge
dirobeda ku pikiran
hayang ganti atawa nambahan deui pamajikan.
Nurutkeun diagnosa dok-
ter mah kuring téh sehat
henteu kuat-kieu.
“Hampura Neni, Kang!
Rumasa henteu bisa
nyugemakeun manah.
Teu bisa mere turunan
cara awewe anu sejen! Ku
kituna Neni ikhlas, upami
tea mah Akang seja kagungan garwa deui!”
Ngadenge caritaan Neni
bieu. Teu wudu rada
reuwas oge! Kakara ari
nyarita nepi ka lebah
dinya mah.
Tapi henteu geruh.
Kuring tetep ayem bari
mikir-mikir jalan piomongeun, anu sakirana
enteu matak jaheut kana
hatena.
“Nyaan... Kang! Neni
mah serius. Sanes nyarios
tamba bau sungut! Ieu
mah leres ka luar tina ati
sanubari.
Estuning caang bulan
opat welas, jalan gede sasapuan. Rido, teu katumpangan geuneuk
meuleukmeuk. Tong
boroning diwayuh sanajan bade dikeser oge, Neni
pasrah jalaran tamada
dikersakeun gabug, hamo
bisa mere turunan.”
“Meunggeus! Nyarita
téh ka mana wae. Kawas
henteu aya piomongeun
deui anu sejen. Angguran
mah ka ditu geura Ashar
bisi kaburu ahir!”
Henteu kudu dititah
ngadua kalian, manehna
ngaleos ka jero imah.
Saditinggalkeun ku pamajikan. Pikiran jadi
galideur, dirobeda ku
lamunan teu pararuguh.
Dadakuna mikiran
obrolan bieu, naha nyaan
jejeroan hantena téh nepi
ka lebah dinya.
Ceg! Koran anu keur
dikeukeuweuk téh ditunda dina meja.
Sajongjonan mah kuring
mgahintul ngumbar lamunan, bari panon mah
anteng manco ka jalan
hareupeun imah.
Teu sabaraha lila
rentang-rentang di jalan
beulah wetan, katempo
awewe duaan keur
leumpang bareng,
sanggeus deukeut jadi
sidik ka nu duaan téh.
Anu kaos beureum mah si
Cucu, anu hiji deui mah
teuing saha. Paingan ti
kajauhan oge si Cucu mah
sura-seuri.
Kungsi kaajar basa
keur SD, ngan teu kungsi
boga ijasah kaburu aya
anu narikan kawin.
Tapi teu lila rumah
tanggana. Ngadenge beja
saprak papisah manehna
digawe di Jakarta. Rada
pangling oge tadi mah.
Tetempoan téh asa jadi
leuwih mencrang.
Sanggeus deukeut ka
hareupeun, manehna
seuri bari unggeuk.
Kuring males ku imut,
bari panon mah terus
montel ka nu leumpang
ka kulonkeun. Teuing kunaon bet jadi ngadon careraman.
Nu keur leumpang téh
make jeung ngadon diteuteup saanteng-anteng.
Leler-leler reuwas kagareuwahkeun ku pamajikan anu ngagebah
tukangeun.
“Kitu we nya bongoh ti
pamajikan téh. Dasar
lalaki mata karanjang!
Teu kaop ningal imbit
badag mani moho. Poho
kana sagala rupa!” Neni
nengterewelang bari
nulak cangkeng, kareret
beungeutna kurawed haseum.
Kuring ngan ukur
melek! Teu kaharti ku
pikiran anu jadi pamajikan. Karek maling reret
ge geus sakitu werana.
Komo lamun kuring tulus
nyandung. Beu... kiamat
tea meureun.***
21
23.
Nu Nyaring
Basa Janari
CarponAnggi Novia Dewi
R
arasaan mah
geus teu puguh ti saprak
manéhna
indit gé. Geus saminggu
budak téh ngiles duka ka
mana. Naléngténg ka
dulur, teu aya nu kaanjangan. Naléngténg ka
babaturanana, taya nu
apal. Ditelepon kana
hapéna, teu aktip.
Kungsi éta gé ngasms
sakali, Mah, abdi aya di
daérah Batununggal,
cenah. Barang dibales
téh hapé manéhna geus
teu aktip deui. Di mana
atuh di Batununggalna
téh? Jeung saha? Keur
naon? Matak nambahan
hariwang.
Kari-kari ayeuna, jam
dua subuh kieu aya sms
ti nu ngaku kabogohna
cenah. Yén nu ditétéangan téh kapanggih di hiji
22
tempat.
Kuring ngahudangkeun bapana.
Diguyahkeun téh kalah
nyorongot. Omongna téh
geus najis kudu nguruskeun jalma nu kitu. Antukna kuring éléh géléng,
geus moal bisa diajak
badami bapana mah. Ti
mimiti budak euweuh gé,
geus embung nguruskeun. Da kuring mah indung, keukeuh wé nyaah.
Tong boro kudu néang
budak janari kieu, nandonkeun nyawa gé, keun
baé.
Kuring ngoléséd ganti
baju, dicindung tuluy dijékét. Ménta tulung ka
tatangga nu bogaeun
motor. Geus teu boga
dikaéra, nu penting mah
hayang geura panggih
jeung budak.
“Mang Endin, abdi rék
ménta tulung. Anteur ka
daérah Paskal ayeuna kénéh. Itu Si
Enéng téh geus kapanggih.” ceuk kuring bari rambisak.
Untung boga
tatangga téh geus
siga jeung dulur, bisa
sapapait.
Teu ngaengkékeun
deui, Mang Endin
tuluy manaskeun
mesin motorna bari
mawa jékét jeung
hélm ka jero imahna.
Jol kaluar jeung pamajikanana nu
kadangu hariweusweus. Kuring ukur
unggeuk bari nyusutan
cimata.
Clé kana motor,
geuleuyeung digas. Kuring ngan wasa manteng
ka Pangéran bari nahan
tiis hiliwirna angin janari. Peteng masih ngaharudum langit. Ngan
lampu-lampu jalan nu
cahyana maturan.
Sapaparat jalan, kuring
nyawang kahirupan
jalma nu masih ngulampreng. Aya tukang pulung runtah, aya barudak
géng motor nu keur
ngarariung. Aya ogé
barangmaén nu keur
sararé ditilaman kardus
di émpér-émpér toko.
Ngan nu matak nyebitan kana haté mah basa
ningali sababaraha hiji
budak awéwé rumaja nu
dikaléng lalaki. Budak
awéwéna maké calana
pondok jeans. Paling gé
ukuran sapuluh sénti
tina cangkéng. Matak
ngaboléklak pingpingna
téh. Kaluhurna lékbong,
ngaliglag katingali
dadana. Jaba bahanna
carang. Matak katingali
awak dijerona. Lipen
setip, burahay. Wedak,
kandel.
Gusti, palias putra abdi
mah kitu. Angin geus teu
dirasa, leungeun ngeleper, cimata beuki nyurucud.
“Teras ka mana, Ceu?”
ceuk Mang Endin basa
motor geus mangpeng di
Jalan Pasir Kaliki.
“Kirang terang atuh,
Mang. Cobi ieu alamatna.” ceuk kuring bari
macakeun alamat tina
hapé bari iingsreukan.
“Ah, nu leres? Maenya
nepika los-los ka dinya
budak téh?” ceuk Mang
Endin.
“Duka atuh, Mang.
Urang cobian wé heula.”
“Enya, apal sotéh
daérah dieu da mindeng
kaliwatan lamun keur
ngiangkeun kurupuk.”
ceuk Mang Endin bari
méngkolkeun motorna
ka salah sahiji gang.
Motor dilaunkeun, mapayan alamat. Kuring
ngan bati geremet
hayang geura panggih
jeung budak. Jaba nu
katingali téh jajaran tempat bilyar jeung diskotik
wungkul. Ti luar mah
Manglé 2447
24.
katingali reup-reupan
cahya lampunatéh.
Motor eureun di hareupeun hiji wangunan.
Kuring hookeun, naha
enya kitu ieu alamat nu
tadi dismskeun téh. Da
geuning ieu mah
diskotik. Mang Endin
markirkeun motorna.
Kuring turun nuturkeun
Mang Endin leumpang
rék asup ka jero. Satpam
nu jaga tipoporongos
megat. Teuing naon nu
diomongkeun satpam ka
Mang Endin, da kuring
dititah nungguan di luar.
“Pa, abdi téh rék néangan budak. Tong dihahalang siga kieu atuh!”
ceuk kuring teu éléh nyorongot bakat haté geus
tagiwur.
“Teu sagawayah jelema
bisa asup! Pokona tungguan di luar!” ceuk satpam bari neunggeul
méja. Kuring dicekelan
ku satpam liana nu
matana beureum. Tuluy
digiringkeun ka luar
deui. Mang Endin mah
katingali dibawa asup
bari dibaturan hiji satpam deui.
Saprak nungguan gé,
kuring geus teu kuat
hayang asup. Hayang
ngayakinkeun naha enya
budak téh aya di jero.
Satpam nu ngabaturan
téh noélan waé deuih.
Teu nolih kuring ditiung.
Untung Mang Endin
teu lila. Kuring geuwat
nyampeurkeun basa
manéhna ngagupayan.
Kuring ngagukguk ceurik
bari nahan karisi.
“Mang, kumaha atuh
nyaan Si Enéng téh aya
di jero?” ceuk kuring bari
ngelap cimata ku tungtung cindung.
“Jeung Euceu geura ka
lebetna ayeuna mah.”
“Aya henteu, Mang?
Manglé 2447
ceuk kuring teges.
“Muhun, urang tingal
wé ka lebet. Teu sawios
margi satpam nu tadi tos
ngawidian.”
Kuring beuki ngeleper,
jantung geus dag-digdug, awak leuleus.
Barang sup, selengseng
teuing bau nanahaon. Di
jero, lampu tingburinyay,
botol-botol inuman,
musik nu tarik, haseup
rokok, awéwé jeung
lalaki nu silih kaléng,
jeung hal liana nu ku
kuring karék kasawang.
“Nu itu, Ceu?” ceuk
Mang Endin bari
nuduhkeun budak
awéwé keur nari dina
panggung dilalajoan ku
saréréa nu keur ngararinum.
“Astaghfirulloh, Gusti!
Enya, kuring moal salah
deui masing budak téh
geus salin rupa gé.” ceuk
kuring bari roroésan
hayang geura nyampeurkeun. Hayang geura
nurunkeun, hayang
geura nutupan auratna.
Éraaa. Geus asa
dipokpokan tai ieu beungeut ku kalakuan
budak siga kitu. Teuing
tari nanahaon ari nu
siga kitu. Pakéanana gé
sing sarwa kabuka. Éstu
buligir wé éta mah.
Satpam nahan kuring,
sakeudeung deui gé
musik eureun, cenah.
Kuring ampir kapiuhan
kudu ningali budak sorangan kitu peta.
Musik eureun, lalaki
nu lalajo tingsaruit
ngahéotan budak, sawaréh deui émprak mani
handaruan. Maranéhna
ngaralungan duit ka
budak. Kuring bati istigfar bari ngusap beungeut
sababaraha kali.
Dituyun ka tukangeun
panggung gé asa teu
sadar kuring mah. Jol-jol
pasanggrok wé jeung
budak nu keur bulucun.
“Enuuur!” kuring
ngagabrug manéhna bari
ngagaur ceurik.
“Anjiiing! Saha nu
mawa indung aing ka
dieu?” ceuk budak bari
tipoporongos ka kabéh
jalma nu aya di dinya.
“ENUR!” kuring nyentak satarikna bari ngaleupaskeun tangkeupan.
Peupeuteuyanana ku
kuring dicekelan pageuh.
Beungeutna nu salin
rupa téh diteuteup.
Manéhna ngan wasa
ngahégak, panonna nu
beureum ngembeng
cimata. Duit nu keur
dikeupeul manéhna, ku
kuring dijéwang. Disoéksoék nepi ka rajét. Diawurkeun hareupeun
beungeutna. Manéhna
ngan wasa nangtung siga
arca neuteup lambaran
duit nu soék patulayah
dina ubin. Manéhna
ngan ceurik bari deku
ngarampaan duitna.
“Enur, astaghfirulloh
geulis!” ceuk kuring bari
ngajungjungkeun
awakna sina nangtung.
“Hayu uih!” ceuk kuring
tandes.
“Embung Mamah, embuuung!” cenah.
Budak ku kuring teu
dilepaskeun, digusur
nepi ka roroésan tulungtulungan. Satpam nu tadi
hohoak waé gé hookeun.
Nu tadi ngaririung gé
méré jalan sorangan.
Mang Endin geus ngastarter motorna. Budak
diséréd sina nepi ka
naék. Jékét nu kuring dipakékéun ka manéhna.
Clé kuring naék ngadempét manéhna ti tukang.
Biur motor ninggalkeun
diskotik. Sajajalan kuring ceurik. Hayang geura
nepi ka imah. Hayang
geura nanya ka budak
naha kalakuan nepi ka
siga kitu. Padahal indung
kurang kumaha nyaahna.
Diatik ti leuleutik agama
jeung darigamana. Duit
keur sakola teu weléh
kacumponan. Sagala
diperhatikeun, daharna,
jajanna, pakéanana.
Rarasaan mah taya anu
kurang.
Éta pédah bapana nu
sok ngungusir budak téh.
Mun keur paséa jeung
kuring neumbleuhkeun
ka budak. Jadi budak
taya tempat panyalindungan.
Nepi ka imah, budak
dititah asup ti heula.
Kuring nunuhunan ka
Mang Endin bari peupeujeuh ulah nyarita ka
batur perkara budak.
Sup ka imah, budak
keur diteunggeulan ku
bapana. Gusti, kuring
ampir béak tanaga misahkeun duanana. Geus
dipisahkeun, budak dititah asup ka kamerna.
Bareng jeung ngong
adan subuh, bapana
tuluy indit ti imah.
Rérés sholat, kuring
asup ka kamer budak.
Ditingali téh keur
ngagolér bari iingsreukan. Kuring ngadeukeutan manéhna, diuk di sisi
kasurna. Awakna disimbutan, tonggongna ku
kuring diusapan. Prak
ngawirid digalindengkeun ka budak. Manéhna
ngulisik tuluy ngiserkeun
sirahna kana lahunan
kuring. Pipina juuh ku
cipanon, kuring gé rambisak deui bari tuluy ngagalindengkeun wirid
mépéndé manéhna.***
Mujahidin,
8 Juni 2013
Kahatur Darismawati
23
25.
Dedemit Guha Cinta
K
angaranannu
keur pelesiran,
saréréa padabu
ngah, sukansukan negrakkeun kasuka ati, nyieuh
keun kariweuh jeung capé
gawé di kantor. Nya kitu
deui rombongan karyawan
jeung karyawati PT Sugih
ogé saruka bungah.
Puguh pelesiran ka tempat nu éndah, aya di
lelewek suku gunung nu
hawana seger, beresih tina
polusi kota nu matak eungap. Cai cur-cor, tatangkalan ngémploh héjo, angin
taya reureuhna ngageberan
awak. Pugu baé itu ieu téh
sarwa mecak.
Di lapang hareupeun
panginepan nu jukutna
héjo kandel, sababaraha
urang karyawan aranteng
sesedekan maké bal palastik, mani sarumanget
nyéta-nyéta pamaén propésional. Karyawati tingcikikik jeung baturna
silipotrét ku kaméra HP
lebah backround kekembangan, lebah pancuran
jeung tempat éndah séjénna. Demi para pucuk
pingpinan aruplek ngawangkong. Lain, lain
wangkongan beurat siga di
kantor, kitu wé semet
wangkongan énténg, semu
siligonjak. Enya, satékah
polah kariweuh di kantor
mah ulah nepi kacaturkeun
24
Ku Féndy Sy. Citrawarga
dina wangkongan nyalsé.
Pati-pati kudu diadurenyomkeun ogé engké dina
waktuna nu peresun.
Aya deui nu misahkeun
diri ti balaréa, bangun embung kaganggu duméh aya
maksud-maksud nu tangtu
nu narah katohyan ku
batur. Dua insan lawan
jinis, enya awéwé jeung
lalaki nu keur sumedeng diasruk galura asmara.
Duanana tingsalingker
néangan tempat anu rinéh,
anu leuwih éndah, anu romantis!
Teu hésé manggihan da
puguh di tempat rékréasi.
Kakayon, kekembangan,
warna-warni jeung asri bisa
ngahudang rasa nu keur
kasandingan jaladri asih,
kapentang panah katresna.
Geus puguh deui hiliwir
angin ririh nu matak seger
ngusapan awak. Puguh baé
duanana wuwuh tumaninah, dunya milik kita berdua siga ceuk barudak
ngora karasa enyana.
Duanana teu kabitaeun
ku nu salusurakan saruka
bungah najan harita wanci
geus nampeu ka soré. Teu
kungsi lila jempling marengan raja poé tunggang gunung tur teu kungsi lila
ngong adan magrib ti
pilemburan.
Jaba rék sarolat magrib
barjamaah, rombongan téh
rék reureuh heula da apan
bada solat isa rék ngayakeun riungan geusan adu
rényom ngeunaan kamajuan pausahaan.
Demi Yanto jeung Yayah,
dua insan nu misah ti rombongan téh bangun baretah
kénéh nyingkur. Duanana
keur nganteur geter asih
séwang-séwangan Najan
kitu, basa ngadéngé adan
magrib mah maranéhna
gancang sadar, teu hadé
kalalanjoan nganteur
kereteg napsu. Duanana
sapuk carengkat seja
ngampih aub jeung rombongan. Aya kénéh poé isuk
keur sukan-sukan padsuduaan mah.
"Yu Yang ah urang
mulih," ajak Yanto bari
ngabedol pigeulang Yayah
nu bangun kalékéd rék
nguniang téh.
Barang duanana carengkat bari ngeprukan kokotor
urut diuk na jukut, maranéhna digareuwahkeun ku
nu ceurik ngadingdiut bangun kanyenyerian.
"Kukupingan téh aya nu
nangis nya Kang Yan?"
tanya Yayah bari teu sadar
nangkeup awak Yanto.
"Muhun, sora istri," témbal Yanto bari nyekel
pageuh nu keur tipepereket
nahan kasieun.
"Kumaha atuh, wangsul
baé yu tos magrib!" punduk
Yayah dumadak kukurayeun, angot barang nga-
déngé nu ceurik bangun
nandangan kanyeri. Teg
deuih nyangka nu lain-lain
heug wanci geus sareupna,
boa-boa jurig nyiliwuri
sétan mindarupa mangkaning di tempat nu kawilang
sanget.
"Hayu Kang ah bilih..."
Yayah teu werat ngedalkeun nu dipikasieun.
"Ké lanan. Bilih enya
jalmi," kituna téh Yanto
bari ngabedol leungeun
Yayah muru datangna sora
nu sakapeung ngiles
sakapeung atra. Duanana
ngeteyep ngadeukeutan
rungkun, bras ka guha nu
ceuk urang dinya mah disarebut Guha Cinta. Puguh
baé jajantung Yayah beuki
ngageter, sieun kumaonam.
Nepi ka riungan dibuka
mah saréréa teu maliré kaayaan Yanto jeung Yayah
téh. Malah saréréa yakin
duanana ngilu ngariung
jeung nu araya. Ngan basa
riungan rérés, dipindo balakécrakan, mimiti kadéngé
nu tingkecewis ngeunaan
Yanto jeung Yayah.
"Lain, asa teu nénjo
Yanto jeung Yayah euy!"
ceuk Irfan ka baturna.
"Keur aradus meureun,"
témbal Doni.
"Si, ngomong téh!" Irfan
jebi, taksiran tugenah batur
sadivisina disangka milampah teu uni.
"Cik atuh nya ari keur
Manglé 2447
26.
dines kieu mahacara bogoh
enyaan téh dikénsel heula."
Boim nyenggakan bari
haténa rada mentegeg.
Meujeuhna, neundeun haté
ti baréto ka Yayah téh ari
galéong disantok pagawé
anyar, Yanto
"Bobogohan meureun
seblu!" Doni nyureng.
"Bobogohan mah bobodoan, jurig! Pan ieu mah
sidik enyaan, teu aleucreug.
" Boim beuki nyeuneu.
"Minggeus lah lain urusan
urang!" aya nu ngagebés.
Antukna tepi ka tengah
peuting pahibut nyaritakeun nu leungit tanpa
raratan. Duloh minangka
kaamanan mimiti cakahcikih bari tugenah da Pa
Diréktur baketut.
"Na teu sina lapor heula
Dul?"
"Numawi jol ngereles,"
témbal Duloh nu padahal
manéhna geus ngawantiwanti ulah jarauh ti rombongan jeung lamun rék ka
mamana kudu bébéja.
Kusiwel Duloh ngodok
HP, klik mencét nomer HP
bogana Yanto. Taya jawaban, teu aktif. Klik mencét
nomer HP Yayah, nyambung ngan teu diangkat.
"Beu!" Duloh gegetun.
Ibur wéh. Diréktur ngeprik
wadiabalad karyawan
sangkan néangan nu duaan
bisi meunang musibat nu
teu dipikahayang. Biur
ngencar ka ditu ka dieu di
sabudeureun lelewek pelesiran, lebeng. Duloh gasik
laporan ka nu boga
panginepan di dinya. Atuh
no boga panginepan cakahcikih.
"Ké urang nyauran nu
tiasa," ceuk urang
panginepan.
"Sanés sakali dua kali kajantenan kitu téh. Nanging
teu kedah salempang, insyaalloh moal nanaon,"
pokna deui. Duloh jeung
batur-baturna rada teteg.
Teu kungsi lila nu disebut
Manglé 2447
jelema pinter nu diangkir
urang panginepan geus
datang, aki-aki cetuk huis,
janggotna rambay. Ceuk
katerangan manéhna, di
lelewek ieu pangpangna
deukeut Guha Cinta mindeng kajadian jelema leungit atawa kasarung teu
pupuguh. Éta téh cenah
ganguan arwah nu marakayangan saurang mojang
jeung jajaka nu tiwas tikunclung ka curug tukangeun
guha nu lungkawing.
"Sok aya sora nu ceurik
melas-melis menta tulung,"
ceuk ki dukun. "Ku kituna
ulah wani-wani ngadeukeutan Guha Cinta bari boga
niat teu uni, sok cilaka!"
"Dupi réréncangan abdi,
muhun pun Yanto sareng
Yayah?" Duloh geus teu
sabar hayang geura meunang kacindekan kitu kieuna. Najan dina haténa
yakin Yanto jeung Yayah
boa enya meunang musibat
sakumaha katerangan ki
dukun.
Ki dukun kalah ngabigeu.
Keur meleng sugan, teuing
ku naon.
"Antosan dugi ka énjing,
urang paluruh di Guha
Cinta," pokna deui.
Geus kitu mah Duloh
saparakanca nepungan
atasanana bari nyaritakeun
katerangan jalma bisa téa.
Sakur nu ngadéngé tingpuringkak, anging nu panceg
imanna.
Isukna enya baé saréréa
paciweuh néangan nu ilang
can mulang.
Nu dikulikbek lelewek nu
disebut Guha Cinta nu ceuk
urang dinya kaasup tempat
sanget. Loba nu arulin carilaka duméh ngalakukeun
teu uni. Aya nu labuh, aya
nu kaleungitan barang
berharga, tepi ka anu
paraséa rongkah jeung
pasanganana.
"Ah rupi-rupi wé," ceuk ki
dukun nu teu eureun-eureun kunyam-kunyem. Teu-
ing mapatkeun jangjawokan, teuing jampé. Nu
sidik, saréréa gé boga
angkeuhan ku tarékah
manéhna nu leungit téh
mulang deui dina kaayaan
salamet. Ning buktina mah
can tinekanan.
Nu néangan Yanto jeung
Yayah geus ngasruk rungkun jeung ruyuk. Ngungkab
nu bala-bala, nu turun tuturubun ka walungan landeuheun Guha Cinta, jeung
tempat-tempat séjénna.
"Lain Loh, geus ditelepon
atawa SMS?" saur Pa Direktur nibgkin hariwang.
"Atos Pa ti wengi gé."
"Hasilna?"
"HP Yanto teu aktif, HP
Yayah aktif tapi teu aya
waleran," témbal Duloh.
"Beu, kumaha atuh?
Urang lapor wé ka nu
wajib," saur Pa Diréktur.
"Muhun, saé kitu waé,"
Duloh nyaluyuan.
Satadina, saréréa boga
angkeuhan kana tarékah ki
dukun. Ning, taya hasilna,
nya ditepikeun ka manéhna
rék lapor ka nu wajib.
"Muhun énggal lapor baé
supados dipiliarianana
gampil ari ku ahlina mah,"
ki dukun sapuk.
Tepi ka tabuh sapuluh nu
leungit can kapaluruh.
Saréréa boga kacindekan nu
leungit diganggu dedemit
Guha Cinta sakumaha ceuk
katerangan ki dukun da
cenah lain sakali dua kali
kajadian kitu téh. Najan
kitu, tetep kudu kapaluruh,
sukur-sukur salamet. Atuh
lamun nepi ka hanteuna
kudu kapanggih layonna.
Ku kituna Pa Diréktur deuideui ngeprak para
karyawan sangkan néangan
nu leungit tepi ka aya
hasilna. Sedengkeun Duloh
sina buru-buru lapor ka nu
wajib keur ménta bantuan.
Sajungeun pisan Duloh
miang, ana ronghéap aya nu
datang bari cocorowokan.
"Héy, héy, ieu abdi mah!"
Nu datang téh tina selasela ruyuk jalan satapak.
Ana bréh...Yayah jeung
Yanto diiringkeun bapabapa. Saréréa hareugeueun,
ngabarigeu, siga keur
ngumpulkeun pangacian.
Antara percaya jeung henteu. Nu geus kapangaruhan
béja ayana dedemit Guha
Cinta pajar téh nu datang
ririwa Yanto jeung Yayah,
heuy deuh.
Nu panceg kana iman
gasik ngedalkeun puji sukur
ka Gusti Alloh ku kedalna
alhamdulillah nu leungit
baralik sorangan bari dina
kaayaan salamet.
"Yanto, Yayah, tas ti
marana atuh?" Pa Diréktur
ngabagéakeun bari kebek
ku kabungah.
"Hapunten ka sadayana
tos ngarépotkeun," tembal
Yanto. Yayah padangarangkul ku babaturan
awéwéna.
Derekdek Yanto ngadongéng cenah kamari soré
téh basa rék mulang tas ulin
jeung Yayah deukeut Guha
Cinta ngadéngé aya nu
ceurik. Panasaran disampeurkeun sieun-sieun ogé.
Ana bréh enya baé aya nu
ceurik.
"Dedemit?" aya nu nanya.
"Lain, budak awéwé!"
témbal Yanto. Sidik jelema,
nya ditulungan. Horéng éta
budak téh korban
perkosaan pamuda baragajul. Ngaku urang lembur
dinya, nya dijajapkeun tepi
ka imahna.
Rék mulang ku nu boga
imah diandeg.
"Hatur nuhun kana bantosanana," ceuk bapa-bapa
nu nganteur Yanto jeung
Yayah.
"Sami-sami Pa. Jaman kiwari mah kedah atos-atos
ngajagi murangkalih istri
téh seueur dedemit
bungkeuleukan nu
langkung bahaya batan
dedemit Guha Cinta," saur
Pa Diréktur. ***
25
27.
TILU ALBUM IMASPERMAS
Layung Langit, Sundanese Classical Songs,
Leuweung Sarakan
Ku H.D. Bastaman
K
eur jongjon milihan
buku-buku Sunda di
paméran buku waktu
aya pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran
Damas taun 2012 di STSI, Imas
Permas sumping terus nyérénkeun
ka petugas paméran satumpuk
compact disk. “Titip pangicalkeun”
pokna. “Naon éta téh, Néng Imas?”
kuring nanya ka nu ngadeg gigireun. “Album abdi“ walonna.
“Tiasa akang ningalan?” kuring
nanya deui. “Mangga. Aya tilu rupi”
walonna bari mikeun tilu rupa CD.
“Akang hoyong gaduh sadayana”
cékéng spontan sanggeus ningalan
judul-judulna. Asana harita kuring
nu pangheulana meuli langsung ti
nu kagungan galindeng. Kabeneran, geus lila pisan teu nguping
galindeng Imas.
Di imah album nu tilu téh dititénan deui. Judul-judulna: “Layung
Langit” (Imas Permas; Kabuyutan
Seni Tembang Cianjuran LINGGAHYANG), “TEMBANG SUNDA:
Sundanese Classical Songs” (Imas
Permas, Adé Kosasih; Nimbus
Record) jeung “Leuweung Sarakan” (Imas Permas, Héry Suhéryanto, Héndrawaty; Kabuyutan
Seni Tembang Cianjuran LINGGAHYANG gawé bareng jeung
Perum Perhutani Unit III Jabar &
Banten). Foto Imas nu anggun,
ngaran-ngaran juru mamaos jeung
judul album nu dikemas apik dina
kover warna jingga kolot, héjo
lukut jeung abu-abu méré kesan
unik, antik, étnik jeung kareueut.
Tiluanana maké implik-implik
26
“Koléksi Pribadi”. Meureun sabangsa édisi husus, nu diproduksi
ku nyalira keur kaperluan husus
tur teu dipajang di toko-toko.
Malah dina bubuka “Tembang
Sunda: Sundanese Classical Songs”
disebutkeun direkam-ulang lobana
50 siki kalawan widi Prof. Viviane
Sukanda officer-na.
Geus ti méméh 1970 terang ka
juru mamaos urang Cigéréléng nu
matuh di Sukabumi téh tina kasétkasétna. Sababaraha kali nyaksian
pagelaranana sarta tepung dina pajemuhan mamaos di bumi Bapa
Éddy Djadjang Djajaatmadja wali
kota Jakarta Pusat, “asjams” asli
Jampang Sukabumi. Malah dina
Pasanggiri Tembang Sunda tingkat
Nasional taun 1970 mah kungsi
sarua jadi patandang. Rada ngahaja deuih ngoléksi kasét-kasétna
lantaran bojo ngefans pisan ka
Imas Permas. Harita mah jaman
sora galindengna sumedeng ngongoncrangna jeung nu ngagalindengna ogé sumedeng mémén
crangna ….nepi ka ayeuna.
Imas kungsi nyangking juara II
Pasanggiri Tembang Sunda tingkat
Nasional di Jakarta taun 1970,
harita juara kahijina Entin Tjartini
ti Jakarta, nu katilu Énah Sukaénah ti Sumedang. Dina PTSC
Damas mah Imas Permas kungsi
“silih beubeut” jeung Ida Widawati:
Taun 1972 Ida juara ka I, ari Imas
ka II, taun 1974 mah Imas nu juara
I, juara II Ida. Tapi dina PTSC taun
1976 Imas Permas nyangking Juara
Umum. Jaman éra kasét, album
galindeng Imas aya kana 30-na
diproduksi ku Hidayat jeung Dian
Record, ari jaman CD/VCD mah
bisa kénéh diitung ku ramo. Mugamuga baé nambahan.
Antara taun 70 – 80 mah bisa
disebutkeun mangsa héjo lémbokna tembang Sunda (jeung seni
Sunda séjénna), euyeub ku panembang nyongcolang, dugdeg pakumpulanana, seminar jeung kagiatan
pagelaran diayakeun di manamana sarta sering magelaran di
mancanagara dina misi kasenian ti
Tatar Sunda. Kitu deui rupa-rupa
kasét tembang Sunda ngaleuya di
toko-toko. Atuh pasanggiri tembang Sunda, sajaba rutin ku
Damas, sering diayakeun ku ruparupa instansi jeung organisasi
masyarakat. Tah dina mangsa éta
nyampiungna Imas Permas “béntang tembang Sukabumi” saentragan jeung “the wonder girl” Ida
Widawati sarta Didin Bajuri “pamuk Bandung”.
Kuring mah baréto kataji ku Imas
téh ku tincak jeung sénggol-sénggolna nu merenah. Sorana éstu
lemes, wening tur tartib dina
prakprakan ngagalindeng. Digalindengkeun ku Imas mah boh lagulagu mamaos boh panambah dina
wanda jeung laras naon baé éstu
nyari. Sora Imas teu kaasup sora
kuat/gentem, tapi “deudeuh” dibarung ku penghayatan nu jero. Ceuk
kuring mah gaya mamaosna kombinasi tincak Cianjur jeung gaya
Bandung. Tincak Cianjur sigana
hasil atikan Ibu Mimi, ibuna nu nyobat pisan sareng Bi Éém sareng Bi
Eros juru galindeng ti Cianjur.
Manglé 2447
28.
Malah ka MangBakang ogé Imas
kungsi guguru. Ari gaya Bandung
ti Mang Engkos jeung Ibu Saodah
dideudeul ku Rahmat Sukmasaputra dina téhnik olah vokal. Ciri
séjénna nu matak kataji nyaéta
kesit kuwat-kéwatna, jajauheun
tina ngeuyeumbeu. Imas Permas
suksés ngaworkeun “kesit Cianjur”
jeung “deudeuh Bandung”. Sora
deudeuh semu kesit, lebah dinya
nyarina téh!
Sabab kuring mah ti pertengahan
taun 70 ampleng-amplengan meh
teu milu aub deui di lingkungan
mamaos, atuh tara tepung jeung
Imas Permas tur teu niténan perkembanganana. Tepung deui basa
aya PTSC Damas bulan Desémber
2009 jeung dina dua-tilu pagelaran
séjénna di Bandung, kaasup waktu
buku kuring “BÉNTANG TEMBANG:
Fragmén
kahirupan
Nénéng Dinar” disampiungkeun
bulan Nopémber 2012 di Unpad.
Pangahirna tepung téh dina PTSC
Damas di STSI basa kuring meunang tilu judul albumna téa.
Panasaran hoyong terang kondisi
jeung kualitas galindengna ayeuna
sanggeus sakitu lilana kuring teu
nguping sora emas Imas Permas.
TEMBANG SUNDA: The Sundanese Classical Songs
Imas Permas masang jeung Asép
Kosasih (juara I PTSC 1984) mintonkeun tembang Cianjuran dina
Féstival Étnomusik di Paris, jajantung budaya Éropa. Aya 15 pasang
lagu mamaos jeung panambahna
dina wanda Papantunan jeung Jejemplangan sarta rarancagan dina
Sorog. Pintonanana meunang
aprésiasi nu pohara ti audience,
para pakar musik jeung nu nyalagarakeunana. Harita Prof. Viviane
Tessier Sukanda nu jadi officer-na
téh.
Dina ieu pidangan, duapuluh
taun katukang, sora Imas ngoncrang kénéh, wening, vibrana
luwes tur kuat power-na. Dirojong
ku téhnik nembang nu geus kacangking tur jerona ngajiwaanana
ngahasilkeun pidangan istiméwa.
Geura baé ti barang breng “BubuManglé 2447
ka” jeung paténgtongna “Pasieup
Narangtang” katut ngeprangan papantunan kabéh ogé ngébréhkeun
pakarna para pamirig Gan-gan
Garmana (kacapi indung), Kondin
Hérdinan (rincik) jeung Endang
Sukandar (suling).
Cobi dangukeun Imas dina
“Kulu-kulu Bem” lebah “matak
tibelat” éstu matak tibelat. Kitu
deui Asép Kosasih mibanda soanten halon, lemes tur nyari. Genggerong Cianjuran wanda Bandung!
Kuring mah nembé nguping galindengna tina ieu album.
Dina “Rajah Kunasari” lebah
“parekna ka jagat…” sénggolna
nyari pisan. Kitu deui “Liwung
Jaya”na ceuk barudak remaja
ayeuna mah “cianjuran banget”.
Komo mun dikuatan “gentem”
jeung “gedag” mah, salian “kasép”
(sora) Asép bakal leuwih mannelijk
alias “macho” Sacara umum ieu
album istiméwa tur pantes ngawakilan budaya Sunda dina pentas
internasional. Kaharti mun urang
asing nu ngalarti mah kacida ngaprésiasina. Komo nu nyalagarakeunana apal kana “nilai jual”, nepi
ka hak cipta, produksi jeung ngabisniskeunana ogé sanés aya di nu
kagungan galindeng. Dina Google
aya informasi yén hak cipta dicekel
ku Nimbus Record Prancis, albumna dijieun tanggal 1 Méi 2012
maké kover wayang golék ngajajar.
Dijual di Amazon.com hargana
$8.99. Bari jeung kungsi salah
deuih ngiklankeunana majah musik “Sudan” ti Aprika, lain “Sunda”.
Atuh pada ngaralat ku nyaho mah.
Kabéh aya 15 tracks, mun rék direkam dina MP3 kudu mayar
$0.99 per tracks. Geura étang
sabaraha rébu nu nga-download.
Duka teuing nu karagungan galindeng jeung pamirigna kénging royalti henteuna mah.
LEUWEUNG SARAKAN
Tiluan nu ngahaleuangna téh:
Héri Suhériyanto, Héndrawaty
jeung Imas Permas. Ari narasina
ku Upin Prawirasutisna, carogé
Imas. Para pamirigna nyaéta Yusdiana (kacapi indung), Galih Gustamijaya (rincik) jeung Lily Suhérly
(suling), kabéh geus sohor di
lingkungan seni galindeng mah.
Rumpaka narasina kénging nyusun
Diah Padmini, sastrawati nu
kungsi nampa Hadiah Sastra
Rancagé taun 2001 pikeun bukuna
“Jaladri Tingtrim”. Album hasil
gawé-bareng jeung Perum Perhutani Unit III Jabar & Banten téh
disampiungkeun dina raraga ngahudang kasadaran balaréa kana
pentingna rébiosasi leuweungleuweung di Tatar Sunda nu kaayaanana pikawatireun sangkan
balik deui jadi leuweung ganggong
simagonggong. Eusi rumpaka
narasi jeung mamaosna ogé diluyukeun kana téma ngariksa leuweung jeung napakuran alam.
Geura urang guar saliwat.
Rajah nu rumpakana susunan
Diah Padmini kawadahan pisan ku
Héri nu mibanda wanda sora jalu,
gentem tur nyari. Gandang naker.
Disambung ku lagu panambah
“Sarakan Pangbalikan”, lagu halon
digalindengkeun ku Imas jeung
Héndrawaty, diiring gelikna suling,
dipirig jentréng kacapi jeung
paténgtongan rincik éstu ngahudang tingtrim. Dina lagu ieu, jeung
lagu-lagu séjénna, terus-terang
kuring mimitina mah asa “leungiteun Imas”, dina harti teu ujugujug bisa neguh mana Héndra
mana Imas. Sanggeus sawatara balikan muter “Leuweung Sarakan”
kakara témbong warna sora, tincak
jeung reureueus has Imas nu
leuwih ngaguluyur. Rumpaka narasina deuih nu matak kataji téh
winangun prosa lirik pepel eusi
tapakureun. Naratorna, Upin Prawirasutisna, kapeunteun pisan ku
kuring mah. Geura baé artikulasi,
irama jeung dinamika sorana jéntré dikedalkeun ku wanda nyarita
nu nyunda pisan jeung luyu ngaji-
Nyambung ka kaca 30
27
29.
Padumukan Masarakat
Loba kénéhnu Kudu Dibebenah
G
ubernur Jawa Barat Ahmad
Heryawan nataharkeun Program
Perbaikan Rumah Tidak Layak
Huni 2013. Maksud kagiatnana ngabebenah padumukan jeung imah warga miskin
sangkan bisa jadi “imah nu payus ditempatan”.
Tarekah ngalaksanakeun program ngabebenah imah warga miskin kawas kitu,
dilaksanakeun di Desa Tanjung Tiga, Kacamatan Blanakan, Kabupaten Subang.
Gubernur bareng jeung bupati sarta wakil
bupati sa-Jawa Barat ningalian imah anu
henteu layak huni anu geus direnovasi di
Desa Tanjung Tiga.
Ngabebenah imah anu henteu payus
ditempatan di Desa Tanjung Tiga jadi picontoeun atawa ‘proyek percontohan’
28
pikeun program anu sarupa di Jawa Barat.
Lobana 280 unit imah, dibebenah ngaliwatan program pamarentah provinsi sarta
meakkeun waragad nu gedena Rp. 10
juta/imah.
Minangka contona, 280 kepala kulawaga (KK) anu oge kakeunaan ku program eta meunang oge program pem
berdayaan sejenna, di antarana, program
kasehatan jeung pendidikan, sarta ngabebenah jalan.
“Ka-280 KK anu parantos kenging bantosan di Desa Tanjung Tiga oge ngengingkeun bantosan dina widang kasehatan
sareng pendidikan. Tangtosna oge henteu
cekap bumi wungkul anu direnovasi,
upami lingkunganna henteu dilengkepan
ku sarana kasehatan. Kitu deui sareng
barudak anu meryogikeun widang pendidikan,” ceuk Heryawan.
Nurutkeun gubernur Jaw Barat, program bedah imah warga miskin di Jawa
Barat taun 2012 geus ngawengku 7.500
KK (kepala keluarga). Dina taun 2013, program geus ngahontal 10 ribu unit, can kaasup tambahan 22 ribu unit anu waragadna
ti pamarentah puseur.
Sangkan ngahontal target perbaikan 100
ribu unit rumah warga miskin, Pemprov
Jabar nargetkeun renovasi 20 ribu rumah
warga miskin dina taun 2014.
“Mudah-mudahan pamarentah puseur
oge naekkeun tagetna kanggo di Jabar,
kitu deui sareng pamarentah kabupaten/kota,” pokna pinuh harepan.***
(AS)
Manglé 2447
30.
Walikota Anyar,
Birokrasi JeungPolitisi Heubeul
T
i wangkid 16 September 2013 Kota
Bandung resmi boga walikota jeung
wakil walikota anyar, Ridwan Kamil
jeung Oded M. Danial (RIDO), nu geus diistrenan ku Gupernur Jawa Barat ngawakilan Pamarentah. Sajuta warga kota miha
rep pasangan RIDO, mampuh ngabeberes
Kota Bandung jadi kota nu pikabetaheun
jeung aman pikeun sakumna warga kota.
Jargon / slogan “Bandung Juara” nu diusung pasangan RIDO nalika kampanye
pamilihan walikota Bandung geus waktuna
direalisasikeun. Tapi, naha pasangan RIDO
bakal mampuh nohonan jangjina luyu jeung
harepan warga Bandung? Tangtu wae bakal
ngahasilkeun rupa-rupa jawaban jeung bias
debatable. Ridwan Kami (RK)l, jalma anyar
dina dunya praktik pamarentahan sok sanajan geus icikibung jadi aktor nu aya hubunganana jeung pamarentah atawana pama
rentah daerah kabupaten/kota.
Saacanna ancrub kana dunya praktik pamarentahan, Ridwan geus boga hubungan
jeung pamarentah jeung pamarentah daerah ngaliwatan birokrasina salaku konsultan, boh nu aya pakaitna jeung perencanaan
kota atawana aktivitas kreativitas hiji kota.
Jeung katingalna cukup nyubadanan, saperti nu dibuktikeun di Kota Surabaya nu kiwari karasa kacida asri jeung manusiawi
sok sanajan tacan ideal. Tangtu wae posisi
salaku konsultan jeung salaku aktor utama
praktik pamarentahan kacida bedana.
Sabab nya didinya pisan tangtanganana.
Na Mampuh RK nyokot peran salaku
“pengambil kebijakan” kalayan ngaeksekusina sacara “tepat waktu” jeung “tepat
sasaran” dina ngabeberes kota Bandung.
Tangtuna, efektivitas eta katingalna bakal
gumantung kana kaberhasilan RK ngokolakeun sumberdaya nu dipiboga kota Bandung, kaasup sumberdaya Birokrasi jeung
Politisi nu aya di DPRD Kota Bandung.
singketna, na sanggup RIDO ngokolakeun
kadua mitra sumberdaya pamarentahan
kota Bandung nepi ka kamampuh marentahna (governanceability) jadi efektif.
Sok sanajan, RIDO kudu nyanghareupan
“Birokrasi” jeung “Politisi lama”, tangtu bisa
ngawangun sumanget jeung format anyar
Manglé 2447
Ku Dede Mariana *)
dina ngokolakeun kapamarentahan nu
hade di Kota Bandung. Seug komo, Oded M.
Danial mah lain jalma anyar dina konteks
praktik pamarentahan kota Bandung. Kang
ustad Oded, kitu nenehanna, bakal nempatan peran strategis, Oded nu bisa diposisikeun salaku “penghubung” antara mangsa
kiwari jeung mangsa bihari pamarentahan
kota Bandung. Kontinuitas pamarentahan
kota Bandung baris kajaga, kitu deui peran
sekretaris kota Bandung nu dijabat Yossi,
kudu jadi simpul upaya pembaruan tata
kelola pamarentah kota Bandung. Sabab sejatina, pamarentahan kota sapopoena
sacara teknis memang dirarancang dijalankeun ku Sekretaris Kota jeung aparatur
birokrasi anu ngawengku kapala dinas, kapala badan, jeung lembaga teknis liana nepi
ka aparat kewilayahan kayaning para camat
jeung lurah nu aya disahandapeun koordinasi sekretaris kota.
Dina konteks ieu Walikota jeung Wakil
Walikota tinggal mere arahan jeung nyokot
kaputusan sarta ngaroris unggal waktu naha
pamarentahan kota lumangsungna on the
track. Walikota jeung wakil walikota tinggal
ngaraketkeun kamitraan nu hade jeung
DPRD Kota Bandung dina nyieun jeung
ngajalankeun kawijakan strategis tumali
jeung mangsa hareup kota Bandung nu
kudu direngsekeun kalayan dirojong ku
warga.Ku kituna, kaberhasilan walikota
/wakil walikota anyar sajatina bakal kacida
gumantungna kana kamampuh walikota/
wakil walikota dina nyieun kawijakan-kawijakan strategis jeung DPRD Kota Bandung
diantarana ngaliwatan pembuatan Peraturan Daerah nu bener-bener diperlukeun
warga kota keur ngungkulan pasualan,
babarengan jeung warga kota, umpamana:
pasualan runtah, transportasi, jeung ruangruang aktivitas ekonomi dina wujud mahabuna Pedagang Kaki Lima (PKL) nu hese
dirarapihna, sarta tumuwuhna aktivitas
ekonomi berbasis padat modal mangrupa
pangwangunan hotel-hotel, outlet-outlet
pusat belanja jeung apartemen-apartemen
atawa rumah-rumah susun anu cek pangrasa warga teu jelas keur saha-sahana.
Tangtu teu eleh pentingna, kumaha
carana sangkan warga kota dilibetkeun dina
proses “pengambilan kebijakan”, nu kiwari
jiga nu ngan ukur ditangtukeun ku pamarentah kota jeung DPRD .
Nepi ka aya kacurigaan aya “kongkalingkong” diantara “segitiga” walikota/wakil
walikota birokrasi jeung politisi DPRD.
salaku wadah penyalur aspirasi warga kota
kacida pentingna pikeun diintroduksikeun.
Memang pamarentahan kota nu diwangun
kucara demokratis jeung demokrasina sorangan sacara otomatis teu kungsi ngajangjikeun harepan jeung karaharjaan rayat
bakal langsung ngawujud.
Tapi ku sistem demokrasi, bakal muka lolongkrang yen pamarentah kota nu kuurang
diwangun jeung dipilih teh bisa dikontrol
unggal waktu. Kukituna, ku ayana warga
kota nu aktif jeung mere kritik sacara konstruktif kana otoritas kota nyaeta walikota/wakil walikota, birokrasi, jeung
DPRD Kota bakal kacida nangtukeunana
kana rapihna kota Bandung dina mangsa
hareup.
Prinsip-prinsip kapamarentahan nu hade
(good governance) utamana prinsip akuntabilitas, transparansi, jeung partisipasi
kudu jadi prioritas nu bener-bener kudu diimplementasikeun. Ku cara kitu pamarentahan kota Bandung ka hareupna bakal jadi
pelopor ngawujudkeun gagasan pamarentahan nu terbuka (open government). “Percepatan gagasan” ieu bisa wae dilak
sanakeun ku jalan ngagunakeun teknologi
informasi jeung komunikasi (TIK) sacara
optimal. RIDO bisa nyoba ngamaksmalkeun praktik-praktik e-government djeung e-governance dina ngajalankeun ka
pamarentahanana, nyaeta pamarantahan
jeung kapamarentahan nu dijalankeun
berbasis teknologi informasi jeung komunikasi. Warga bakal meunang rupa-rupa kamudahan dina ngaakses pamarentahan
jeung palayanan publik nu disadiakeun ku
pamarentah kota. Mugia.***
*) Panulis, Guru Besar Ilmu Pe
merintahan Unpad &
Ketua Asosiasi Ilmu Politik
Indonesia (AIPI) Bandung
29
31.
Sambungan ti kaca27
waan eusi rumpaka. Ceré Sunda!
Malah méméh terang yén anjeunna
carogé Imas Permas nyangka téh
budak ngora 30-an nu mahér pisan
basa Sunda.
Album “Leuweung Sarakan” ceuk
kuring mah téma, rumpaka,
lalaguan, narasi, para pamirig
jeung juru galindengna suksés
nyampiungkeun karya seni nu
luhur ajénna. Onjoyna ti albumalbum Tembang Sunda séjénna nu
umumna teu pati jelas konsépna,
“Leuweung Sarakan” mah leuwih
atra visi jeung misina. Nyaéta mulangkeun kondisi lingkungan alam
Tatar Sunda, hususna leuweungleuweungna nu geus pasiksak
paburantak digadabah jalma-jalma
sarakah jadi resik deui héjo lémbok
sabihari. Sugan baé masih bisa
diélingan ku galindeng.
LAYUNG LANGIT
“Karya galindeng tembang Sunda
nu dibaktikeun ku Imas Permas
mapag yuswa kasepuhnakeun” kitu
sundana nu tinulis dina pangjajap
album. Kataji ku “Bubuka”na kuring mah. Paténgtongan rincik
marengan ngoncrangna kacapi indung dina kemprang dedegungan
disarian ku gelik suling éstu wirahma pisan ngébréhkeun kaahlian
para pamirig Yusdiana (kacapi indung), Galih Gustamijaya (rincik)
jeung Lili Rohili (suling). Tapi
barang ngong nu ngagalindeng,
terus-terang rada rungah-ringeuh,
malah maké nanya ka sorangan
“Ieu téh Imas?”. Pangling! Bisi
salah dédéngéan terus nanya ka
batur saimah nu baréto ngefans
pisan ka Imas Permas, “Apal sora
saha ieu?” bari teu nyebutkeun
saha-sahana nu ngagalindeng.
“Saha ieu téh?” walonna malik
nanya sanggeus ngabandungan
sakeudeung. Tétéla sarua panglingna. Barang disebutkeun,
pokna spontan “Naha jadi kieu?
Asa leungit renyekna” ceuk nu
hobina ngarénda téh. Tangtu aya
30
nu robah, duka lebah mana.
Sanggeus ngabandungan dua-tilu
balikan karék katangar aya nu
angger jeung aya nu robah. Geura
urang pedar saliwat sugan baé aya
mangpaatna salaku asupan ka nu
kagungan galindeng.
Kitu gé kétang mun kersaeun
nampi.
Warna sora tetep da éta mah
apan bawa ti kudrat. Merenah tur
antaréna ngagalindeng ogé teu
robah, kitu deui penjiwaanana
tetep jero. Nada-nada petit, upamana baé dina awal “Kalangkang
Lawas” tetep kaberik, sanajan
sakapeung dina gentem kurang
buleud. Nu kakuping robah téh
nyaéta témpona jadi rada ayal, nepi
ka kesit jeung kuwat-kéwatna teu
kakuping deui. Upamana baé dina
“Paksi Tuwung” nu piriganana
aced ngajak émprak (jeung ngéngklak), Imas ngigelanana kurang
“genit” (baca “lincah”). Ciri has
Imas nu hasil ngaworkeun “kesit
Cianjur” jeung “deudeuh Bandung”, tinggal deudeuhna, kesitna
duka ka mana. Sajaba ti éta vibra
nu baréto hampang, alamiah ngaguluyur jadi leuwih “kandel” tur
katangén dirékayasa. Upamana
baé dina “Pancawarna” lebah
“jalanna KA Cimandiri”, “ulah
BINGUNG”, jeung “sing BISA ngupahan diri” katawis pisan ngahaja
diayun-ayun. Kaharti mun aya
kesan “leungit renyekna” lantaran
teu spontan ngaguluyur. Aya deui
nu ngalantarankeun “teu siga
Imas” téh nyaéta jadi seueur
ngagemakeun soanten dina baham
nu teu pati langab mukana, nepi ka
volume sora kaluarna teu optimal.
Tapi dina lalaguan laras Sorog mah
Imas nguniang tandang, karakterna mimiti némbongan deui.
Back to basic!
Niténan tilu album Imas Permas
“Tembang Sunda” (1992), “Leuweung Sarakan” (2004) jeung
“Layung Langit” (2012) nu anggang waktuna rata-rata 10 taun,
munasabah urang bisa nyawang
kondisi jeung kamekaran kualitas
galindengna salila ampir 20 taun.
Kabeneran boga kénéh “Nunggelis”
kasét Imas produksi “Hidayat”
taun 70-an (?) pikeun bandinganana. Naon atuh nu umumna
robah dina “Layung Langit”? Ceuk
kuring mah masalah TÉHNIS,
nyaéta fléksibilitas. Sora Imas “teu
leueur” kawas baréto.
Umur nu nambahan tangtu milu
mangaruhan kana kondisi jeung
kualitas sora, tapi lain éta nu
utama mah, tapi faktor LATIHAN.
Kawasna Imas kurang optimal latihanana. Ku seringna latihan mah
fléksibilitas, dinamika, artikulasi,
power jeung sakur nu ditataan tadi
Insya Allah bakal kaungkulan.
Malah ku latihan pita sora ogé bisa
tetep kajaga fléksibilitasna. Para
penyanyi kaliber dunya (da Imas gé
panembang internasional atuh)
sok ngahaja nyayagikeun waktu
pikeun ngalatih diri sangkan kualitas sorana tetep prima. Malah béjana Julio Iglasias mah 8 jam
cenah unggal poé latihanana ogé.
Imas mah teu kudu nurutan Julio
Iglasias bisi Kang Upin taya nu
mangmasakkeun.
Ku kituna aya saéna para juru
galindeng sénior, kalebet Imas Permas, kersa ngahaja nyayagikeun
waktos pikeun “ngaderes” sasaliraeun. Malah latihan bareng jeung
ihwan sasama panembang mah
bisa silih rojong silih sumangetan.
Ngasah téhnik ngagalindeng maksadna mah, da ari ngajiwaan
sareng maparin sari mah apan
kedah kapendak ku nyalira. Sakitu
sawangan kana tilu album Imas
Permas.
Aéh méh baé hilap. Gaduh usul
ka nu nyusun rumpaka narasi
“Leuweung Sarakan” kumaha
upami “pangcalikan para hiang”
digentos ku “panglinggihan”
atanapi “palinggihan para hiang”.
Da “pangcalikan” mah apan
lemesna tina……., sanés? Hapunten.
Ciputat,
5 September 2013
Manglé 2447
33.
Carpon Manglé Alit
Suratkeur Akang
Ku Yanti
K
ang, lamun Akang
dikersakeun maca
ieu surat, mudahmudahan Akang
inget kénéh ka kuring nu geus
lawas teu patepung lawung.
Mudah-mudahan kaayaan
Akang ogé sing aya dina
kaséhatan sareng aya dina
panangtayungan Alloh SWT.
Kuring miharep sangkan
Akang sakulawarga aya dina
kabagjaan anu sajati. Amin.
Kang....teu karasa nya, geus
aya welasna taun urang papisah. Asa cikénéh kuring sok
diheureuyan jeung digonjak
ku Akang téh. Lamun baheula
kuringna ogé budak kénéh,
ayeuna mah kuring téh geus
boga budak. Harita mah
Akang gé pamuda kénéh,
ayeuna mah tangtu geus jadi
bapa. Nepi ka danget ieu gé,
kuring mah teu bisa poho
kana sagala rupa anu aya
patalina jeung Akang.
Sok sanajan geus welasan
taun tara patepung, tapi haté
jeung ingetan kuring mah
tetep maskét ka Akang. Duka
kunaon, duka aya naon, anu
pasti méh saban waktu saban
poé, haté kuring teu weléh
inget waé ka Akang.
Kang...boa Akang mah moal
inget jeung teu hayang inget
32
kana naon rupa anu kungsi
kalakonan ku urang. Akang
tangtu teu hayang nyaho
kumaha eusi haté kuring
harita ka Akang. Padahal keur
kuring mah, aya rasa agul dina
haté, lantaran kuring bisa
deukeut jeung Akang harita.
Sok komo basa satuluyna
harita, Akang sering nelepon
kuring, ngajak jalan-jalan
atawa ngajajanan. Haté téh
sok ngarasa reueus jeung sugema pisan.
Lamun Akang percaya, buku
diari (kado paméré ti Akang
basa kuring nincak umur 18
taun) nu éta, nepi ka kiwari ku
kuring disisimpen kénéh, sok
sanajan ukur kari jilidna. Keur
kuring mah jilid buku diari éta
téh jadi bukti kumaha mantengna ingetan kuring ka
Akang nepi ka ayeuna.
Kang......kuring teu ngarti,
kumaha mimitina nepi ka
harita kuring bisa jadi deukeut
jeung Akang. Kuring gé teu
apal naon sabenerna maksud
Akang ngadeukeutan kuring
mangsa harita. Méh saban poé
harita Akang datang ka tempat
kuring. Sangkaan mah enya
wé, Akang téh hayang tepung
jeung kuring. Masih kabayang
kénéh dina ingetan, kumaha
harita Akang nungtun kuring
peuting-peuting, dina acara
“jurit malam” anu diayakeun
ku Akang saparakanca di
Himpunan. Enya ari panon
mah ditutupan ku lawon hideung, tapi leungeun aya nu
nungtun. Bungah pisan harita
téh, Kang. Asa enya aya nu
nyaah, aya nu merhatikeun
kasalametan kuring. Hatur
nuhun pisan.
Dina pikiran kuring harita,
nu aya téh ukur Akang.
Akang anu bageur, anu
kasép, anu déwasa, anu tara
ambek, anu kalem jeung anu
sampurna. Dina panénjo
jeung pangrasa kuring mah,
Akang téh taya cédana pisan,
taya kurangna saeutik ogé. Asa
geus cop pisan haté téh miharep kanyaah Akang
saterusna. Haté kumalayang,
ngabayangkeun éndahna
hirup kuring lamun pareng
bisa terus babarengan jeung
Akang. Biwir sok remen umatimut sorangan lamun pareng
inget ka Akang téh. Tapi Kang,
geuning impian kuring téh
mémang bener ukur impian.
Asa dibéntar gelap tengah
poé éréng-éréngan téh lain bohong, waktu kuring narima
béja ti batur yén Akang téh
geus aya nu boga. Kuring ukur
bisa ceurik balilihan.
Manglé 2447
34.
Haté beuki yakinbasa kuring ningali ali meneng dina
jariji Akang. Cicirén yén
Akang geus katalian ku jangji
jeung “batur” anu tangtuna
dipikanyaah ku Akang.
Teu bisa majar kumaha, sok
sanajan haté mah jumerit, tapi
kuring kudu sadar kana
kaayaan diri. Sakumaha
nyaahna kuring ka Akang,
moal matak ngarobah kaputusan Akang ka kuring. Kuring
ngarti pisan mun ahirna haté
Akang leuwih milih ceungceuman Akang, da kuring mah
ukur budak yatim anu teu
harta teu harti. Moal sababad,
lain tanding. Inget kana paribasa, kaléng mah tong ngaManglé 2447
harepkeun bisa ngahiji jeung
waja.
Kang, lamun Akang apal
kumaha gudawangna haté
kuring harita. Kumaha nyeri,
peurih jeung sedihna ieu haté.
Lamun Akang nyaho kumaha
murubutna cimata kuring
basa ngaléngléong, mulang
deui ka lembur asal kuring.
Kumaha strésna kuring basa
nampa uleman pernikahan ti
Akang. Sabulan kalelebanana
ogé. Najan ari ceuk dokter
mah tipes, cenah. Padahal
ceuk kuring mah, éta téh panyakit haté. Ahhhhh.....asana
batur mah moal aya nu bisa
ngarasakeun kapeurih modél
anu kaalaman ku kuring.
Kuring kacida sedihna ku
nasib nu karandapan, bet ditakdirkeun jadi budak yatim
anu teu harta teu banda.
Tapi kétang......kuring teu
bisa nyalahkeun sasaha iwal ti
diri kuring sorangan, anu geus
salah ngahartikeun perhatian
jeung kanyaah ti Akang.
Kang......kiwari urang geus
pada-pada boga kulawarga.
Urang silih du’akeun, mudahmudahan urang sing bisa
ngabina rumah tangga anu
sakinah, mawaddah,
warohmah. Sing dijauhkeun
tina balai, dicaketkeun rijkina.
Amin.***
(Romadhon, 1428 H)
33
35.
Rumaja
Milih Sakola
Ku Aditya
R
éngséku réngséna sakola téh.
Teu karasa lila sakola téh ari
bari disartaan ku resep mah.
Rupa-rupa karesep téh, utamana
tangtu kulantaran kuring asup ka
SMA anu sakeudeung deui bakal ditinggalkeun téh, éstuning meunang
kahayang sorangan. Harita téh lulus ti
SMP, hasilna lumayan, dirojong ku
kolot anu kacida merhatikeunana,
atuh kuring bisa asup ka SMA anu
dicita-citakeun.
Lian ti éta, resep loba babaturan.
Guru-guru jeung sakumna anu nguruskeun sakola ogé balageur deuih.
Tambahna ti kitu, kagiatan ékstrakurikulérna ogé kawilang euyeub.
Kuring milu kana rupa-rupa kagiatan
mimitina mah, tapi lila-lila mah karesep téh museur kana kagiaan Pramuka. Dina kagiatan éta kuring jadi
nambahan babaturan jeung tangtu
baé pangalaman hirup di alam bébas.
Kumaha carana kémping, masak ku
pakakas sederhana, kumaha cara ngubaran kasakit ku dangdaunan jeung
sajabana nu aya patalina jeung alam.
Dina pangajaran, kuring mimiti
resep kana basa Jepang. Najan ari jurusan mah kuring téh IPA tur hayang
neruskeun sakola téh ka jurusan élmuélmu éksak, tapi lantaran diajarkeun
basa Jepang téh ti kelas 10 kénéh, atuh
lila-lila mah jadi resep. Komo sanggeus apal, yén lamun hayang neruskeun sakola ka jurusan téhnik di
Jepang, tangtu kudu bisa ogé basa
Jepangna.
Luhur teuing boa cita-cita téh. Tapi
pan geuning saur sepuh ogé,”gantungkan cita-citamu setinggi bintang
di langit”. Rék disebut lahuta nya
mangga, da kuring mah keukeuh sakola téh hayang terus, lamun bisa mah
hayang bisa sakola nepi ka Jepang téa.
Tapi kadieunakeun, kahayang nerus
keun sakola (kuliah) téh sok bari di34
sartaan ku hemar-hemir. Lain pédah
saingan asup ka perguruan tinggi téh
ketat pisan, lain, da éta mah tangtu
geus résiko anu hayang sakola luhur.
Saingan mah biasa. Rarasaan mah
kuring bakal wani lamun ukur “bersaing” dina urusan nyanghareupan
tésna. Tapi paralun, lain kuring takabur tur yakin bakal lulus, henteu.
Maksud téh, dina lebah nyanghareupan soal-soal tés kuring moal gimir,
najan ari hasil mah kuring ogé teu
wani optimis teuing, da loba saingan
anu tangtu leuwih palinter ti kuring.
Pikiran téh, kuring diajar di SLTA,
batur ogé sarua. Hartina, soal-soal
ujian mah tangtu bahanna tina anu
geus diajarkeun di sakola. Kari urangna anu kudu bisa nyerep kabéh pangajaran.
Hal anu matak leuwih hemar-hemir
keur kuring, taya lian ku reuwas pédah
ngadéngé béja, geuning biaya kuliah
téh mahalna kacida. Mangkaning kuring mah budak yatim. Sataun kalangkung Bapa ngantunkeun kuring,
Mamah jeung adi lalaki anu sakeudeung deui bakal asup ka SMA. Jadi,
sataun reujeung Mamah téh kudu
nyakolakeun. Kuring kuliah, adi ka
SMA. Kabayang beuratna, lantaran
ukur ngandelkeun kakuatanana
nyalira.
Kuring remen néangan informasi
perguruan tinggi anu kira-kira
“murah”, anu kira-kira moal matak
ngabeuratkeun teuing kolot nu tinggal
sabeulah. Kulantaran kitu, kuring jadi
loba ngajenghokna..geueueueuniiiiiing? mahal pisan hayang kuliah téh.
Ulang-ulah ka perguruan tinggi negri
“kelas hiji”....dalah ka anu sahandapeunana ogé, itunganana téh geuning
geus juta-juta wungkul.
Kuring ogé ngarti yén “pendidikan
itu mahal?, tapi naha enya nepi ka
kudu jejelepungan jiga kitu? Ari kudu
ditawar piraku, da sakola mah lain
warung sanés pasar. Kabedag waé bisa
terus sakola, henteu waé nya
meureun.....kudu siap bangkar citacita.
Najan enya ari Mamah mah sering
pisan sasauran,”Sok baé rék sakola
mah, tong loba pikiran.
Sakadada-sakaduga ku Mamah
diusahakeun!”
Sedengkeun sakuringeun, dikitukeun téh lain atoh. Kétang, bungah
ari bungahna mah, bungah pédah
boga indung sakitu ngartikeunana
kana kahayang anu jadi anak.
Tapi leuwih gedéna ti éta, kuring
kalah ka asa malik watir ka nu jadi indung téh. Dina kaayaan kudu banting
tulang sorangan, bisa kénéh ngareugreugkeun kuring jeung adi dina
urusan nuluykeun sakola.
Lamun kongang mah, kuring ogé
hayang eureun baé sakola téh, paya
lulus SMA baé, da sakitu ogé geus
kudu pirang-piang syukuran.
Tapi ari ras deui kana amanat almarhum Bapa, cenah kuring jeung adi
kudu sarakola nepi ka sakola luhur.
Bingung. Éta nu karasa ku kuring
ayeuna, nya ka mana kudu nuluykeun
kuliah. Acan ku dédéngéan teu
pararuguh, yén boh sakola boh kuliah,
ayeuna mah aya “jalur husus”...malah
di sababaraha daérah mah aya anu
togmol pisan ngaistilahkeunana téh
“jalur uang”.
Kasarna, pagedé-gedé “uang titip”.
Hartina, saha anu boga duit, éta anu
bakal bisa neruskeun sakola.
Jadi, kumaha urusanana, bahwa
“setiap warga negara berhak mendapatkan pendidikan yang layak”?
Kuring ukur bisa ngaheruk.
Ras ka Mamah, ras ka adi anu bakal
butuh biaya loba keur nuluykeun ka
SMA.***
Manglé 2447
36.
Hari s Setiadi
AntaraOlah Raga jeung Seni
K
aresepna kana seni
jeung olah raga,
tangtu didadasaran ku bakat jeung karesep anu
nyampak dina dirina. Aya teureuh
ti luhurna, bisa jadi bekel anu kuat
pikeun Aris -kitu nénéhna- ngamalirkeun karesepna dina bidang
seni jeung olah raga. Tapi di sagigireun éta, lingkungan jeung kulawargana ogé kacida gedé panga
ruhna pikeun préstasi-préstasi anu
saterusna bisa kahontal. Putra
Bapa Dédi sareng Ibu Nyai ieu,
kabeneran ti aalit diasuh ku kapiuana, Bapa Supriatna (alm) sareng
Ibu Arum. Di kulawarga uana éta,
bakat Haris dina widang olah raga
jeung seni beuki kaasah. Ua istri
pamegetna, lulusan sakola olah
raga. Ua pamegetna muka sanggar
seni Sunda di bumina. Sabataé,
bakat Haris kaolah pisan di dinya.
Dina widang olah raga, ti aalit
Haris geus mikaresep olah raga
pingpong. Malah sababaraha kali
nyangking kajuaraan, ti mimiti
tingkat sakola nepi ka tingkat
provinsi Jawa Barat. Dina widang
seni, Haris ngawasa sababaraha
alat musik gamelan.
“Nuju alit mah, ku Ua sok dipiwarang ngagoongan, lami-lami
kana alat sanésna oge janten tiasa,”
ceuk Aris, kapirai Téh Nila Karyani, S.Pd ieu nétélakeun.
Salulusna ti SMPN 1 Jatinangor,
kiwari Haris nyuprih élmu di
SMAN Rancaékék. Kagiatan olah
ragana teu pareum, malah kiwari
Haris nambahan karesep olah ragana kana maén poli. Malah jeung
timna kungsi jadi juara dina sabaManglé 2447
baraha kali turnamén.
Dijugjugan soal cita-citana
neruskeun kuliah, Haris aya karep
hayang neruskeun ka UPI (Universitas Pendidikan Indonésia).
“Bingung, antawis milih jurusan
olah raga atanapi kesenian,” ceuk
Haris anu kapilanceukna mémang
lalulus sakolana ti UPI ieu nétélakeun.
“Tapi, kumaha diparengkeunana
waé, margi éta mah nembé citacita. Naon waé anu tos digariskeun
ku Gusti, abdi mah kantun ngalaksanakeunana maksimal,” ceuk
Haris, mungkas wangkonganana
jeung MR.***
(Téh Narti/Potrét:
Kang Réisyan)
35
bakal gawé barengjeung Mumtaz
méré informasi obyék wisata di
sakuliah Indonésia sarta mamér
keun karajinan. Acara barudak
ngagambar “Faber Castell Connector Pen Challenge” gé bakal
digelar di “Main Antrium” tanggal 26 Oktober 2013. Dina puncakna tanggal 27 Oktober 2013,
bakal dilaksanakeun “Fashion
Show” ti Malik Moestaram
Model, ogé biduan Rossa, nu istimewa pangunjung satia citylink bakal dibéré hadiah nu
diundikeun; 42” LED TV, Fiéie
Bikes, Voucher Festival Citylink,
sarta hadiah utama saunit
motor Vespa LÉ 150 & motor LÉ
125.
Panitia jeung nu ngeusi acara “Festival Citylink”
“Festival Citylink” téh mangNu lianna “Let’s Seafood With Chef rupa puseur tempat balanja jeung hiburan
Arnold” (20 Oktober 2013), mintonkeun kulawarga nu aya di Jl.peta No.241 Bankaparigelan “Chef” Arnold ngasakan dung, Mol deukeut pasar burung Sukahaji
“seafood” di “Main Antrium”, juri “Mas- nu mimiti dibuka taun 2010, ngawengku 6
terchef” Indonésia gé bakal babagi téhnik lanté “retail’ nu ku “anchor tenant”, anu
masak, cara neundeun, kabersihan sarta dina danget ieu ngan hiji-hijina di Banngolah bahan katuangan nu hadé keur dung nu mibanda “Food Court” dina
kaséhatan nu disuguhkeun sacara setan- suasana “Outdoor” nu pikabetaheun landar internasional. Féstival gé bakal ngage- taran buruanana nyanghareup ka Gunung
lar “Gebyar Wisata & Kerajinan Nusana Tangkuban Parahu nu éndah. ***
tara (24-27 Oktober 2013), pihak panitia
Asép GP
Milangkala Festival Citylink ka-3
D
ina raraga milangkala
“Festival Citylink” nu ka3, “The Color of Your
Life” kalayan midangkeun jejer
“All For Love”, pihak panitia nu
diwakilan ku Nawa Pamungkas
(Marketing
Communication
Manager), Sally (Casual leasing),
jeung Asep Subaru, nétélakeun ka
Manglé, baris ngayakeun runtuyan kagiatan nu arahéng sarta
ngahibur ka sakumna nu hadir.
Acara nu bakal lumangsung ti
tanggal 1 – 31 Oktober 2013 téh
ngawengku: “Auto Festival (7-13
Oktober)”, lumangsung di Main
Atrium diiluan ku “brand-brand”
otomotif nu geus kawéntar di Indonésia saperti Mazda, Toyota, Honda,
Daihatsu, Suzuki, Subaru, KIA, Mitsubishi,
Chevrolet, jeung Ford, kaasup motor
Honda, Yamaha, Suzuki, Kawasaki, Piaggio, Viar, jeung SYM. Aya deui “Semangat
45 Mara FM (18 Oktober 2013)”, ruparupa pintonan istiméwa bakal hadir dina
miéling tepung taun Radio Mara, di antarana Ada Band, Astoria Band, jeung Yukitanari Dancer di Atrium Festival Citylink.
Kantor Anyar
Standar Chartered Bank
P
oé Rebo 9 Oktober 2013, Standard Chartered Bank (SCB)
geus ngaresmikeun kantor anyarna di Jl.Pasirkaliki (HOS
Cokroaminoto) No.81 Bandung. Éta rélokasi téh mangrupa
komitmen pikeun ngaronjatkeun kualitas layanan “wealth management-na”, dina ngaladangan para nasabahna. Rawuh dina kagiatan harita, Pingpinan Bank Indonesia Wilayah Jawa Barat &
Banten , Dian Ediana Rae, jeung CEO SCB Indonésia, Tom Asker.
Cék Tom Asker, pihakna kacida reueusna kana sajarah SCB nu
geus 150 taun aya di Indonésia. Ti saprak muka cabang di Batavia
taun 1863, SCB terus tumuwuhmekar nepi ka kiwari mibanda 27
cabang di 8 kota.
“Rélokasi cabang Pasirkaliki atanapi Paskal mangrupi conto
nyata kamekaran bisnis SCB, utamina di wewengkon Jawa Barat.
Cabang Paskal ngawitan dibuka taun 2008 kalawan jumlah stafna
11 urang. Kiwari cabang Paskal parantos gaduh gedong nu laluasa
nu ditempatan ku 28 karyawan resmi kanggo ngaakomodir
kamekaran bisnis,” pokna.
“SCB hoyong janten mitra terpercaya dina ngabantos nasabah
ngokolakeun keuangan sareng kabutuh finansialna. Para nasabah
tiasa sageblengna mercantenkeun sagala kabutuh finansialna ka
SCB bari anteng ngajalankeun hirup kumbuhna sadidinten,” cék
38
General Manager Wealth Management, Priority, Intenational
Banking And Country Head Marketing, Lanny Hendra.
Rélokasi Kantor Cabang Paskal mangrupa lajuninglaku
pamekaran bisnis Standard Chartered di Indonésia. Éta bank ogé
“berinvestasi” ngarékrut 400 urang karyawan anyar nepi ka ahir
taun 2013 sarta terus ngajalankeun inovasi ngawanohkeun réngréngan produk jeung layanan “Consumer Banking” anyar keur
nohonan kabutuh nasabah ti rupa-rupa kalangan.***
Asép GP
Wawakil SCB nu méré katerangan ka wartawan
Manglé 2447
40.
Pemkab Bandung
Nyebarkeun 43Sapi jeung 108 Domba Kurban
D
ina Idul Adha nu anyar kaliwat, pamaréntahan Kabupatén Bandung nyebarkeun
43 sapi jeung 108 domba. Ku disebarkeunana ingon-ingon kurban ti
Pemkab Bandung, dipiharep sakabéh
mustahik di Kabupaten Bandung bisa
narima daging kurban kalayan walatra. Sedengkeun sapi kurban ti Bupati
Dadang M Nasser jeung Wakil Bupati
Deden R Rumaji sarta Sekda Kabupatén Bandung, Sofian Nataprawira
mah, dipeuncit di pakarangan Masjid
Al-Fathu Soréang.
Daging kurban nu dikokolakeun ku
DKM Al-Fathu dibagikeun langsung
ka para mustahik nu daratang ka
masjid. Panitia kurban DKM Alfathu,
Saeful Bakri, nandeskeun, kusabab
hariwang jumlah warga jeung daging
nu aya teu sabanding, panitia ngabagikeun daging kurban sacara langsung ka warga nu datang ka tempat
dilaksanakeunana kurban tanpa maké
kupon.
“Supados teu aya anu curang, musManglé 2447
tahik nu tos nampi daging kurban
panangannana bakal dicorétan ku spidol. Dina ngabagikeun daging kurban
téh, panitia dibantuan ku patugas ti
Polsék jeung Satpol.PP,” ceuk Saeful.
Sedengkeun ngeunaan sapi jeung
domba ti pemkab anu disebarkeun
mah, Bupati nétélakeun, dihususkeun
ka “kantong-kantong” kamiskinan nu
nyebar di 31 kacamatan. Para camat
ogé kurbanna diusahakeun di wilayah
tugasna séwang-séwangan. ngabagikeun dagingna mah bisa dititipkeun
ka DKM atawa ka pasantrén nu aya di
wilayah tempat tugasna.
Lian ti kitu, dina Idul Adha taun
ayeuna mah kagiatan meucit sapi
jeung domba kurban téh disaksian ku
50 urang patugas Dinas Peternakan
Perikanan (Disnakan) Kabupatén
Bandung, kalawan dibantu ku 120
urang anggota Dewan Kemakmuran
Mesjid (DKM). Éta patugas disebar ka
sakabéh wilayah Kabupatén Bandung,
pikeun nalingakeun bisi aya sapi
atawa domba gering nu dikur-
bankeun.
“Alhamdulillah teu aya laporan
ngeunaan sapi atanapi domba panyakitan nu dijantenkeun kurban.
Malih ngeunaan ayana cacing dina ati
atanapi daging sapi kurban ogé teu
acan aya nu laporan,” ceuk Kepala
Seksi Kesehatan Masyarakat Veteriner
Disnakan Kab. Bandung, Sudito.
Saméméhna, Disnakan mariksa
17.500 sapi jeung domba kurban.
Domba jeung sapi nu nyumponan
sarat sahna kurban dibéré label séhat.
Nu dipariksa ku Disnakan lain saukur
kaséhatan, tapi gawé bareng jeung
MUI mariksa ngeunaan asup heteuna
éta sapi atawa domba kana rukun
pikeun dikurbankeun.
Kusabab jumlah patugas nu kawatesan, pokna, teu sakabéh sapi jeung
domba kurban bisa kaparika. Mana
komo kapan masarakat nu meuli sapi
atawa domba langsung ka peternakna.***
nunk
39
41.
Panggung Silaturahmi ArtisDHP
Ngahibur Warga Ciléngkrang
Artis Béntang-béntang HD Production
ngahibur warga Cilengkrang, Ujungberung Bandung
W
elasan artis petingan kota Kembang, poé Ahad sawatara waktu
nu kaliwat di Jalan Ciléngkrang
I Ujungberung Kota Bandung midang
ngabagéakeun warga Bandung. Éta kagiatan mangrupa alpukahna DH Production (DHP) pingpinan H. Dose Hudaya.
“Ieu acara dilaksanakeun dina raraga
silaturahmi sareng nyacapkeun kabungah,
enggoning ngabagéakeun kadang wargi
sadaya, hususna warga masarakat Ciléngkrang Ujung Berung,” ceuk Dose nu
dibarengan ku garwana, Wina DH.
Éta acara jejerna “Panggung Silaturahmi
Babagi Kanyaah ka
Papada Manusa
N
ulung ka nu butuh nalang ka nu susah éstu mangrupa kawajiban pikeun sakumna manusa. Manusa téh mahluk sosial.
Léngkah jeung paripolah kudu napak dina adeg-adeg kamanusaan. Anu saéstuna misti ngandelan silaturahmi sarta silih
nyaah silih tulungan jeung papada manusa. Ku silaturahmi tangtu
baris manjangkeun babarayaan, pon kitu deui ku silih tulungan , nya
baris lugina haté, tur ningtrimkeun diri jeung pikir, jauh tina kasieun
jeung hamham diri. Éta hal ditétélakeun ku Dr. Anton Minardi, Sékrétaris Bidang Agama PB. Paguyuban Pasundan, waktu ngobrol jeung
Manglé sawatara waktu ka tukang di Sékrétariat Paguyuban Pasundan, Jalan Sumatera 41 Bandung.
Luyu jeung nu jadi udagan Paguyuban Pasundan silih asah asih
asuh, napak dina laku lampah hirup sapopoé. Bidang Agama
Paguyuban Pasundan, ceuk Dr. Anton, garapanna taya di antarana
ngaaplikasikeun salasahiji udagan nu natrat dina visi misi Paguyuban
Pasundan, nyaéta “Pengkuh Agamana”. Ngaduumkeun Da’wah Islam
enggoning nyitak insan-insan ki Sunda nu Nyunda, Nyantri, Nyakola,
sarta Nyantika. Prak-prakanana dilarapkeun dina laku lampah
sapopoé.
Bidang Agama Paguyuban Pasundan boga garapan nu kacida
mulyana. Garapan rutin, di antarana pangajian rutin, kagiatan baitul
40
Artis Bentang-Bentang DH Production”,
nu dirojong ku grup Debu jeung Sule.
Midang di luhur panggung ukuran 8é6
métér kalawan maké “sound system” 15
rébu watt. Acara dibuka ku sohibulbét,
Dose Hudaya jeung Wina DH nu ngawihkeun lagu "Cinta Urang Duaan", ditéma
kuu pidangan Kusye D'Bodors ngawihkeun lagu "Dulang Kuring" nu populér
dikawihkeun ku almarhum Darso. Satersuna, Isma Anggraeni ("Katalanjuran"),
Widya Utami ("Cinta Luar Biasa"), Asep
Darso (Bulan Nyeungseurikeun), Rina
Ross ("Ih Kangen"), grup Barakatak
("Clom Giriwil"), Sony Ador (Tangkeup
Akang). Wina DH babarengan jeung panari panggung ngabagéakeun ku ngahaleuangkeun lagu anyarna "Malaikat
Cinta", Rita Tila, gé midang ngaliwatan
lagu "Halangan Diri”, Santania ("Guratan
Panangan"), Ayank Andriani ("Bulan
Sapotong"), Salma Kurnia ("Cinta Palarian"), Wina J ("Cinta Saparan-paran"),
duet Sony Ador & Dadang ("Karagragan
Bentang"). Grup muslim Debu midangkeun "Mutribul Qasr", "Malam Ini",
"Ucapkanlah Bersama". Pidangan atraktif
ti Debu dipungkas ku lagu Pop Sunda
"Bidadari Akang" nu dihaleungkeun
babarengan jeung Dose Hudaya dina Albeum Kompilasi "Béntang-béntang III”,
sarta dieuyeuban ku pidangan ti artis
séjénna.***nay
mal (keur sakumna warga Pasundan), ogé ngayakeun kagiatan bakti
sosial, saperti kagiatan anu digelar basa Milad (Milangkala Sa Abad)
Paguyuban Pasundan kamari, ngayakeun sunatan massal. Dina
Lebaran Haji) taun ayeuna gé, ngabagikeun daging kurban ka warga
masarakat, boh nu aya di sabudeureun kantor Paguyuban Pasundan
boh ka masarakat luar.
Ceuk salasaurang panitia Kurban Paguyuban Pasundan, saban taun
Paguyuban Pasundan teu weléh ngayakeun kurban boh sapi boh
domba. Taun ayeuna meuncit sapi 3 jeung domba 7, nu mangrupa
ingon-ingon kurban titipan ti badan garapan boh jeung unit garapan
nu aya dina iuh-iuh Paguyuban Pasundan.***nay
Warga ngantay daging kurban
Manglé 2447
42.
DI KIWARI MACABIHARI (23)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)
Mihapé Hayam ka Heulang
T
INANGTU pada apal kana
pihartieunana éta paribasa
téh. Mihapé hayam ka
heulang.
Mihapékeun
barang
kameumeut ka jalma basilat. Tur
lampah basilatna téh geus lila
kanyahoanana. Teu bina ti kitu
pasualan hukum di urang gé. Lembaga-lembaga hukum, nu tugasna
miara malar hukum angger nanjeur,
malar hayam angger hurip, kalah
dipercayakeun ka jalma-jalma basilat, ku nu talajakna kawas heulang.
Atuh lapur, manan hurip mah kalah
katalangsara. Lembaga-lembaga nu
mibanda pancén nanjeurkeun
hukum, kayaning kajaksaan, pangadilan, Mahkamah Agung (MA) jeung
Mahkamah Konstitusi (MK), sarta
kapulisian, kalah katohyan réa
oknumna anu korupsi. Antukna,
lembaga hukum téh pada nyarebut
lembaga korup. Ku lalandian kitu gé
apan geus kanyahoan yén éta lembaga téh henteu perlu dihormat,
hentu perlu diajénan. Malah geus
teu kudu dipercaya. Ana geus teu
dipercaya, sagala léngkah gé henteu
weléh dicuriga.
Puncak tina teu percayana
balaréa ka lembaga hukum, nyaéta
basa Akil Muchtar kacerek deleg
nampa panyogok tinu perkarana
keur disawalakeun di MK. Tug
padahal Akil Muchtar téh ketuana
pisan ti éta lembaga nu diperenahkeun pikeun ngawal nanjeurna konsitusi téh. Lain ngan sakadar
“hukum” tapi “konsitusi” anu kudu
dikawal ku MK téh. Sugrining undang-undang nu dijieun ku pamaréntah jeung DPR bisa digugat
Manglé 2447
ka MK, upama éta undang-undang
téa, boh sagemblengna boh ngan
saukur saayat, pasalia jeung konstitusi, jeung UUD 1945.
Apan sakitu gedéna wewenang
MK téh. Kuduna mah sugri nu
dipercaya nyangking kalungguhan
di éta lembaga, mana komo ketuana, ngajaga éta wewenang nu gedé
téa, lantaran aya patula-patalina
jeung kapercayaan balaréa. Tétéla
éta wewenang anu sakitu gedéna
téh kalah disalénggorkeun. Lain
pikeun nanjeurna konstusi, tapi
pikeun kapentingan pribadi. Apan
anu kelak ka MK téh kabéh ogé papada nyiar kaadilan. Ari hég lain
kaadilan nu katarima ku nu kelak
téh tapi kawajiban nyogok. Saha nu
gedé panyogokna pasti dimeunangkeunana. Nu teu nyogok mah tong
miharep perkarana dimeunangkeun. Ari pancén MK, iwal ti nyidangkeun perkara-perkara nu aya
patalina jeung konstitusi, ogé dipercaya pikeun ngaréngsékeun pacogrégan sabada pilkada, atawa nu
disebut “sengkéta pilkada” téa.
Ku Akil Muchtar, “sengkéta
pilkada” téh dijeieun lahan pikeun
ngandelan eusi pésakna sorangan.
Saha nu hayang diunggulkeun kudu
nyogok ka manehna. Pangna kapaksa kudu daék nyogok téh ku lantaran apan putusan MK mah
sipatna “final dan mengikat”.
Hartina, mun teu narima kana
putusan MK téh euweuh deui lembaga lian anu bisa narima banding.
Sakitu saktina apan MK téh. Tah
nya ku lantaran sakti téa Akil
Muchtar ngaduitkeun éta lembaga
pikeun kapentingan dirina. Keur
sasoranganeun saheulaanan mah.
Duka teuing upama hakim-hakim
séjénna geus papada dipariksa ku
KPK mah.
Padahal apan can lila dijenengkeunana Akil Muchtar jadi Ketua
MK téh. Cacak can pati lila, apan
sogokan nu katarima ku manéhna
téh geus aya kana ratusna milyar.
Mana komo lamun lila. Ku talajak
sabangsa Akil Muchtar mah konstitusi, hukum, jeung kaadilan téh
batan nanjeur mah anggur kalah
burakrakan. Hadéna talajak basilat
Akil Muchtar téh kaburu katohyan
ku KPK. Akil Muchtar kacerek deleg
keur narima sogokan di imahna.
Saheulaanan mah panyogok téh
karék ti “sengkéta pilkada” Gunung
Mas, Kalimantan, jeung Lebak,
Banten. Boa teuing basilatna Akil
Muchtar téh geus ti béh dituna
mula.
Beuki lila mah geuning bruhbréh anu talajakna basilat téh.
Cilakana téh nu katohyan basilat
téh jalma-jalma nu mibanda
kalungguhan sarta jalma-jalma nu
wewenangna najeurkeun hukum
jeung kaadlian. Jaksa basilat,
katohyan. Hakim asilat, kacerek.
Nya kitu deui anu basilat di lembaga-lembaga lianna, boh di legislatif, boh di éksékutif. Anéhna téh
beuki réa heulang anu katéwak,
kalah asa beuki nambahan waé
heulang téh. Mangkaning apan teu
saeutik hayam pihapékeuneun téh.
Beuki réa heulang, asa beuki jauh
kana kohontalna udagan téh.***
(yayat.hendayana@gmail.com)
41
43.
Suksesna Otonomi Daerah
Refleksitina Kapamingpinan
Ku Ahmad Heryawan
Gupernur Jawa Barat
Bubuka
Otonomi
daerah
nu
diimplementasikeun ti wangkid 1
Januari 2001 geus ngondang ruparupa intepretasi ti para akademisi,
perangkat pamarentahan puseur
jeung daerah oge ti inohong/pemuka masarakat, nepi ka UU
22/199 jeung UU 25/1999 direvisi
ku UU 32/2004 jeung UU 33/2004.
Tujuan utama Otonomi Daerah
nyaeta ngahontal lumangsungna
kapamarentahan nu hade (good
governance) nu didadasaran ku
demokrasi nu ngutamakeun kana
aubna /peran serta masarakat,
pihak swasta sarta pamarentahan
kalayan merhatikeun saniskara
asset sosial, ekonomi, budaya di
aras lokal. Ku ayana Otonomi
Daerah, daerah geus lain deui jadi
wilayah administrasi. Tapi di pihak
sejen, Otonomi Daerah nyesakeun
rupa-rupa pasualan sabab paraturan pamarentah ngeunaan petunjuk
pelaksanaan jeung implementasi nu
cepat jeung tepat tacan tuntas.
Penyelenggaraan
kawijakan
Otonomi Daerah ku Pamarentah
Pusat teu dianggap salaku amanat
konstitusi nepi ka proses desentralisasi magol. Otonomi Daerah mere
kalaluasaan jeung kawenangan nu
pohara pikeun daerah keur
ngokolakeun daerah, nepi ka bisa
wae nimbulkan disintegrasi akibat
terkotak-kotakna daerah tanpa
ayana kontrol ti Pusat.
Tapi realitas kajadian saterusna
nyaeta medalna fenomena ”pecah
kongsi”, nyaeta kapala daerah jeung
42
wakilna nafsi-nafsi. Hal ieu nandakeun yen politisi ngalaksanakeun
(baca:memberlakukan) demokrasi
ngan
saukur
keur
moro
kakawasaan.Kondisi nu matak
pibahlaeun sabab kapamingpinan
di daerah teh jadi teu efektif.Agenda
keur ngaraharjakeun rayat ge
lumangsungna moal optimal sabab
kapala daerah jeung wakilna parebut pangaruh keur kapentingan
jangka pondok.
Kapamingpinan
Kapamingpinan teh hiji konsep
nu ngarangkum rupa-rupa jihad
tina interaksi pangaruh antara
pamingpin jeung nu dipingpinna
dina ngudag tujuan sarerea.Di
dieu diasumsikeun yen suasana
kapamingpinan ngan bisa kawa ngun dina hiji lingkungan nu
sacara dinamis ngalibetkeun
hubungan diantara sajumlah
jalma. Hiji jalma bisa ngaku atawa
”mengklaim” dirina salaku pamingpin lamun ngaboga an rayat /
“pengikut”. Saterusna, diantara
pamingpin jeung “para pengikut”
kawangun tatali emosional jeung
rasional
ngeunaan “kesa maan
nilai” nu rek dilembagakeun sarta
pada-pada hayang ngahontal tujuan nu sarua. Sok sanajan dina
praktikna
pamingpin
nu
ngarumuskeun niley jeung tujuan,
suasana kapamingpinan ngan
bakal kawangun ku tatali hubu ngan timbal-balik antara pamingpin jeung umat/rayat . Jadi, sok
sanajan hiji pamingpin jadi panu-
tan rayatna , tapi dina hakekatna
moal bisa ngawangun perilaku
umat/rayatna. Perilaku “pengikut”
bakal bisa robah lamun diantara
pamingpin jeung “pengikut” aya
hubungan timbal-balik jeung
komuni kasi dia logis, nepi ka
umat/rayat faham jeung daek
ngawujudkeun niley jeung tujuan
anu diwangun ku paming pinna
nepi ka niley jeung tujuan teh jadi
niley jeung tujuan sa rerea, lain
ngan saukur milik pamingpin.
Kapamingpinan teh pasualan
kumaha carana pamingpin bisa
ngawangun rayatna, nepi ka rayat
faham kana kahayang pamingpinna. Pikeun ngalaksanakeun ha ieu,
pamingpin nu berkualitas kudu
jujur jeung brukbrak ka rayatna
kana naon rupa tangtangan jeung
lolongkrang nu keur disanghareupan. Pamingpin kudu bisa mere
“pesen” nu eces, anu teu lunca-linci
jeung patukang tonggong, nepi ka
rayat bener-bener faham kana naon
nu rek diwujudkeun ku pamingpin.
Di pihak sejen, sangkan kahayang
pamingpin saluyu jeung kahayang
rayat, pamingpin kudu mampuh
ngarobah kahayang rayat jadi
kabutuhan sarerea, hiji aspirasi
sosial nu engkena jadi “ekspektasi
bersama” jeung saterusna jadi tungtutan politik. Tungtutan politik ieu
pisan nu engkena bakal jadi bahan
keur kawijakan publik.
Kapamingpinan nu kitu pandena dina dasarna mangrupa
kapamingpinan nu “beretika”, di
mana pamingpin bisa ngamotivasi
rayat tanpa paksaan kahayang pri-
Manglé 2447
44.
badi jeung teumareuman kawani
rayat nalika keur nepikeun kahayangna.Pamingpin kudu bisa
dipercaya
jeung
mampuh
ngalaksanakeun kahayang rayatna.
Sabalikna, pamingpin ge teu meunang boga peran nu dominan teuing
sabab ngan ukur ngahasilkeun
partisipasi rayat nu dimobilisasi,
lain partisipasi nu otonom. Dina hal
ieu, pamingpin kudu boga sajumlah
pangaweruh dasar, diantarana: kamampuan
inisiatif
pikeun
nyaluyukeun hiji ide; kamampuan
mere parentah sangkan teu patojaiah jeung robah-robah; sarta kamampuan keur mere sumanget ka
rayat dina ngarengsekeun hiji pasualan. dina pamarentahan nu modern jeung rasionalistik, basis
legitimasi kapamingpinan politik
kudu didadasaranan ku kapasitas
pamingpin dina nitenan hiji pasualan, ngarumuskeun ajen-inajen
/niley jeung cara ngungkulan
pasualan masalah, sarta nganegosiasikeun eta cara keur ngawangun
“konsensus bersama”. Cindekna,
calon pamingpin kudu jalma nu
ngamilik visi intelektual nu leuwih
ti rayatna. Karakter ieu pisan nu
engkena baris medalkeun konsep
kapamingpinan visioner (visionary
leadership) di mana hubungan
pamingpin jeung rayat didasaranan
ku
konsensus ngeunaan “visi
bersama (shared vision)” nu rek dihontal.
Loba pisan definisi kapapingpinan nu bisa kapanggih dina ruparupa literartur. Panulis rek medar
definisi kapamingpinan nurutkeun
Stoner jeung Freeman, Bartol jeung
Martin, Gary A.Yukl, Miftah Toha,
Gibosn saparakanca. Nurutkeun
Stoner dan Freeman (1996)
”Kepemingpinan adalah proses
mengarahkan dan mempengaruhi
aktivitas-aktivitas
yang
ada
hubungannya dengan pekerjaan
terhadap para anggota kelompok”.
Sedengkeun Bartol jeung Martin
(1996) nyebutkeun yen “Kepemingpinan adalah proses mempengaruhi
orang lain tentang pencapaian
prestasi ke arah tujuan organisasi”.
Leuwih lega deui ambahanna definisi kapamingpinan disebutkeun ku
Yukl, yen “Kepemimpinan meliputi
Manglé 2447
proses
mempengaruhi
dalam
menentukan tujuan organisasi,
memotivasi perilaku pengikut
untuk
mencapai
tujuan,
mempengaruhi untuk memperbaiki
kelompok dan budayanya”. Definisi
kapamingpinan sakumaha nu
disebutkeun di luhur ngandung tilu
implikasi penting, nyaeta: (1) kapamingpinan teh ngalibatkeun
jalma lian boh bawahan atawana
pengikut/rayat, (2) kapamingpinan
ngalibetkeun
pendistribusian
kakawasaan antara pamingpin
jeung anggota kolompok kalayan
imbang sabab anggota kolompok ge
ngabogaan daya, (3) ayana kamampuan keur ngagunakeun rupa-rupa
wangun kakawasaan nu beda-bedakeur mangaruhan tingkah polah
rayatna ku rupa-rupa cara. Konsep
kepemimpinan hubunganna raket
pisan jeung konsep kakawasaan.Ku
kakawasaan pamingpin bakal boga
alat keur mengaruhan perilaku
sakabeh rayatna.Aya sababaraha
sumber jeung wangun kakawasaan,
nyaeta kakawasaan paksaan, legitimasi, kaahlian, panghargaan, relevansi, informasi, jeung hubungan.
Sahenteuna,
kapamingpinan
dipangaruhan ku “tiga lingkaran
variable”, nyaeta variabel individu,
organisasi, jeung sosial. dina
tataran individu, faktor-faktor nu
mangaruhan nyaeta pangaweruh
jeung kaparigelan/keterampilan,
karakteristik pribadi, kayakinan
kana ajen-inajen, “penyimpangan”,
jeung gaya dina nyieun kaputusan.
Variabel organisasi ngawengku
iklim jeung budaya, politik organisasi, ancaman jeung resiko, Keateupastian, karancuan, jeung patelak/
pertikaian.
Sedangkeun
nu
ngawengku variabel sosial nyaeta
kabutuhan resmi, meta value, politik, jeung ekonomi.
Unggal kapamingpinan di piharep bakal mawa parobahan
kana kondisi nu leuwih hade
utamana sacara internal, sabab
parobahan sacara internal bakal
ngarojong kana parobahan eksternal. Pamingpin organisasi nu
kakara, dibere amanah keur mawa
organisasina sangkan leuwih hade
ngalayanan anggotana, alhasil
maranehna ge bakal “berkontri -
busi” leuwih hade deui ka
masarakat. Kitu deui, pamingpin
hiji daerah dipiharep bisa mawa
parobahan nu signifikan kana
kahirupan rayatna nu tangtu wae
bakal ngaronjatkeun darajat nagara atawa daerahna di kalangan
nu leuwih lega. Kalayan teu
ngamomore keun peran penting
palaku / aktor lianna di daerah, kapala daerah teh core agent dina
proses
lumangsungna
kapamarentahan di daerah. Kepala
daerah teh simpay(simpul) tina
kompleksitas relasi antarpelaku
dina proses politik jeung pamarentahan di daerah. Sistem pamarentahan nu nuju kana "sistem
presidensial" nempatkeun kapala
lembaga eksekutif jadi aktor utama
dina proses pamarentahan. Kultur
politik oge nempatkeun pamingpin
eksekutif jadi simbol, “rujukan”
jeung “pengarah” dina ampir sakabeh
dimensi
kahirupan
masyarakat. Kapala daerah bisa
jadi tuladan, motivator jeung inspirator pikeun para palaku kapamarentahan nu lianna dina
nyanghareupan pasualan jeung
ngahontal masa depan. Ku kituna,
nangtukeun kriteria pamingpin
masa depan teh mangrupa bagean
penting tina proses kapadulian
jeung aubna masarakat dina
enggoning ngahontal masa depan
daerah. Terus, karakter kapamingpinan nu kumaha nu dibutuhkeun
ku daerah dina danget ieu? Sacara
teoretis, taya karakter kapamingpinan nu ideal nu langgeng di
sagala
zaman.Unggal
zaman
ngabutuhkeun karakter kapamingpinan nu luyu jeung konteks
parobahan zaman. Pamingpin nu
hade di hiji daerah, tacan tangtu
kapake di daerah lianna. Ku kituna,
nangtukeun kriteria paming pin
kudu dimimitian ku pemetaan
ngigelan zaman di eta daerah.
Lumangsungna
pamarentahan
daerah kiwari jeung ka hareupna,
aya dina setting anyar, alhasil
merlukeun
pamingpin
nu
demokratis jeung efektif. Krisis
kapemimpinan jadi wacana awal
nu keur sumedeng mekar dina
mangsa kiwari.
***
43
45.
Dongéng Bajing
jeung Peucang
S
akadangpeucang keur reu neuh, bulan alaeun poé-poé
ayeuna téh. Ceuk sakadang
sapi anu loba kanyaho kana élmuning kakandungan, isuk ogé ceuk
taksiran mah sakadang peucang
téh ngajuru. Sakadang peucang téh
saenyana mah séhat. Orok anu
dikandungna ogé séhat. Tapi
paromanna mah mani sedih. Siga
anu nguyung kateterusan. Gawéna
téh ngan nyirekem waé dina
sayangna bari ngalimba.
Hiji poé sakadang peucang
maksakeun ka sawah da halabhab.
Karunya si utun inji cenah lamun
henteu nginum téh, bisi enya
hanaang. Apan ayeuna téh enya
usumna halodo panjang.
Kakara ogé sababaraha regot, ti
kotakan anu landeuh sada aya anu
ménta tulung. Sakadang peucang
téh gancang nyampeurkeun anu
ménta tulung. Ari pék téh
sakadang bajing tibebes kana leutak. Satengah awakna nyeceb kana
leutak sawah. Mangkaning lebah
dinya téh ranca. Lamun seug usum
ngijih, sigana tadi ogé geus laput.
Untung wé usum halodo mah
caina ngurangan.
“Tuluuung... tulung sakadang
peucang, ku ring ngajleng ari pék
téh henteu nepi kana gale ngan,”
ceuk sakadang bajing.
Peucang rarat-rérét néangan
awi. Di sisi sawah, di handapeun
44
tangkal sukun, aya pangpung.
Sakadang peucang gancang mawa
pangpung, terus disodorkeun ka
hareupeun bajing.
“Cekelan singpageuh, sakadang
bajing. Sok, ku kuring engké ditarik.”
Hiji poé sakadang
peucang maksakeun ka
sawah da halabhab.
Karunya si utun inji
cenah lamun henteu
nginum téh, bisi enya
hanaang. Apan ayeuna
téh enya usumna
halodo panjang.
Sakadang bajing nyekelan
pangpung sukun tarik pisan.
Sakadang peucang ngabetot lalaunan. Enya ogé tanaga anu reuneuh,
tapi da awak bajing mah henteu
gedé. Tungtungna mah awak
sakadang bajing téh leupas tina
leutak.
Da puguh panonpoe meujeuhna
morérét,
sanggeus
ngaberesihan
leutak
mah,
sakadang bajing jeung peucang
ngiuhan di handapeun tangkal
sukun di sisi sawah.
“Nuhun pisan, sakadang peucang. Lamun seug euweuh anjeun,
meureun kuring téh tibebes, lilalila mah bisa laput. Umur kuring
téh meureun paragat di dieu,” ceuk
bajing.
Sakadang peucang unggeuk.
“Henteu saperti biasana tadi
téh. Kuring biasana lamun meuntas pasawahan téh sok ngajlengan
galengan anu kotakanna henteu
gedé mah. Ari pék tadi mah rék
ngajleng pisan asa nempo anu
ngalayang di langit. Reuwas sieun
heulang, heug wé kuring disamber.”
Sakadang peucang unggeuk.
Ngadéngékeun naon anu dicaritakeun bajing, tapi teu wasa némbalan. Da puguh pikiranana
ngacacang ka anu lain. Kana
jangjina jeung sakadang maung,
kana nasib anu bakal karandapan
ku utun inji anu keur dikandungna.
Sakadang bajing kakara sadar,
naha sakadang peucang téh teu
némbalan waé sakitu diajak ngobrol. Barang ditingali, geuning
sakadang peucang téh keur ngaheruk tungkul, bari tina juru
panonna merebey cipanon.
“Sakadang peucang, hampura
Manglé 2447
46.
geuning anjeun téhaya dina
katunggaraan.
Kunaon
atuh
saenyana?” ceuk bajing.
“Nyaéta kuring téh keur sedih,
sedih anu teu manggih tungtung.”
“Pok
atuh
dongéngkeun,
susuganan kuring bisa mantuan.”
“Kuring téh pernah katewak ku
sakadang maung. Ari maung apan
anu ngawasa ieu leuweung. Harita
téh kuring rék didahar ku
sakadang maung. Ngan harita téh
sakadang maung seubeuheun
kénéh. Kuring dileupas keun, tapi
engké lamun kuring boga budak,
éta budak kuring bakal dipénta ku
maung. Da sakadang maung téh
cenah karesepna anak peucang. Ti
minggu kamari kénéh sakadang
maung téh geus ka dieu waé,
nempo an naha kuring enggeus
ngajuru atawa acan.”
Sakadang bajing ngahuleng.
Enya henteu gampang jalir jangji
ka
sakadang
maung
mah.
Manéhna mah atuh da sahaok
kadua gaplok téh lain heureuy.
Geu ning, sakadang peucang ogé
anu biasana loba akal, geus kadesek kieu mah bingung. Tapi ari
dipikiran mah lila-lila sakadang
bajing meunang ilham ogé.
“Kieu wé atuh, sakadang peucang. Kuring ogé moal cicingeun,
bakal ngabantuan satékah polah,
ongkoh itung-itung ngabales kahadéan anjeun tadi enggeus
nyalametkeun nyawa kuring,” ceuk
bajing. Sakadang peucang téh atoh
henteu atoh ngadéngéna. Atoh
pedah aya batur pakumaha. Henteu atoh, da puguh sakadang bajing mah sarua leutik awakna
jeung manéhna. Bakal kumaha
petana ngalawan maung?
“Hayu ayeuna mah urang pindah ka guha di handapeun tangkal
huni. Anjeun mah cicing wé di
guha éta, ongkoh deui ari
diperkirakeun isuk ngajuru mah
ulah udar-ider waé. Lamun aya
sakadang maung, béjakeun wé
orok téh rék dibikeun, ngan cokot
Manglé 2447
“Kieu wé atuh,
sakadang peucang.
Kuring ogé moal
cicingeun, bakal
ngabantuan satékah
polah, ongkoh itungitung ngabales
kahadéan anjeun tadi
enggeus nyalametkeun
nyawa kuring,” ceuk
bajing. Sakadang
peucang téh atoh henteu atoh ngadéngéna.
Atoh pedah aya batur
pakumaha. Henteu
atoh, da puguh
sakadang bajing mah
sarua leutik awakna
jeung manéhna. Bakal
kumaha petana
ngalawan maung?
sorangan ka jero guha. Keun waé
ngahalang-halang maung mah
bagéan kuring, percayakeun waé
ka kuring.”
Sakadang peucang unggeuk
mani sababaraha kali. “Enya ku ring téh geus teu bisa mikir keur
kaayaan kieu mah. Percaya waé
ku ring mah ka anjeun, sakadang
bajing.”
Geus kitu mah bring waé bajing
jeung peucang téh ka guha anu dituduhkeun ku bajing. Enya waé
guha téh leutikna mah leutik, ngan
lantaran ayana di handapeun
tangkal huni anu ngarandakah jadi
karasana tiis. Bajing jeung peucang ngakutan jukut garing keur
tilam ngarah henteu tiis ari peu ting.
Isukna peucang téh enya waé
ngajuru. Kira wanci haneut moyan
sakadang
maung
datang.
Sakadang
peucang
mani
ngadégdég ngadéngé geremna ogé,
jaba sakadang bajing téh geuning
teu datang-datang ti tadi mula.
“Grrmm... sakadang peucang,
mana anak anjeun téh, geuwat
kadieukeun!” ceuk maung.
Enya ogé sakadang peucang téh
ngeleper bakat ku sieun, bari
karunya ka anakna anu umurna
can sapoé-poé acan, tapi manéhna
inget kana jangji sakadang bajing.
Bikeun waé lamun sakadang
maung ménta anakna mah, asal
cokot ka jero guha. Sakadang bajing ogé moal cicingeun, éta anu
dicepeng ku peucang mah.
Manéhna percaya, bajing moal
jalir jangji.
“Ieu kuring mah di dieu,
sakadang maung. Enya kuring téh
geus ngajuru, bawa waé anak ku ring ka jero guha, da ieu awak can
séhat pisan,” ceuk peucang.
Sakadang maung atoh. Enya,
peucang téh geuning henteu jalir
jangji, henteu kabur. Sakadang
maung ngadeukeutan guha. Teu
kanyahoan ku sakadang maung, di
luhur tangkal huni, sakadang bajing geus siap ti tadi dina tungtung
sayang éngang. Barang sakadang
maung aya di hareupeun guha, éta
sayang éngang téh dipuragkeun,
tungtung sayang anu napel kana
dahan digégél satarikna. Sayang
éngang ragrag meneran awak
maung. Da puguh maung mah
jawara jago gelut, sayang éngang
téh ditakis. Barang suku maung
nakis, sayang éngang téa paburantak. Êngang anu jumlahna ratusan
pating harieng. Barang ningali
maung, éngang anu ambek da
sayangna ancur, ngudag ka maung
bari cu co nyocoan. Atuh sakadang
maung lumpat sakalumpat-lampét
bari bari aduh-aduhan da nyeri
dicoco éngang.
Sakadang peucang seuri barang
apal naon anu kajadian di luar
guha. Sakadang bajing nyampeurkeun, terus sasalaman. (Lina
Herlina) ***
45
Unak - Anik
N
Lukutjadi ladang usaha nu kawilang lumayan untungna (nét)
Beuki réa nu resep nguseup nila beuki réa nu butuh lukut (nét)
guseup geus jadi kalangenan anu dipikaresep ku
balaréa, ti kolot tepi ka
budak, malah awéwé ogé sok
pirajeunan katémbong di tempat
panguseupan. Hal sarupa kitu éstu
muka lolongkrang usaha keur sabagian jalma ku cara nyadiakeun
rupa-rupa
kabutuhan
tukang
nguseup,
ti
mimiti
tempat
panguseupan nepi ka pakakas katut
eupanna.
“Kiwari mah butuh eupan teu
kudu hésé-hésé nyieun atawa
ngala, da di warung eupan ogé
geus sagala aya, ti mimiti eupan
buatan rupa-rupa mérek nepi ka
eupan hirup saperti cacing jeung
lukut. Urang mah kari mekel
duitna wé,” ceuk Mang Agus,
tukang nguseup urang Banjaran
Kabupatén
Bandung,
waktu
tepung jeung Manglé sawatara
waktu nu kaliwat.
Ceuk katerangan ti Mang Agus,
lauk nu réa di useupan ku tukang
nguseup salian ti lauk emas téh ogé
lauk nila. Malah beuki kadieu éstu
beuki réa baé tukang nguseup anu
resep ngala lauk nila, méh mapakan lauk emas. Nila mah kasebut
lauk anu bisa hirup di sagala tempat, ti mimiti di walungan, balong,
ranca nepi ka situ, anak baranahanana ogé téréh pisan. Tanaga
nila anu kawilang bedas sarta
dagingna nu pepel ngalantarankeun beuki réa tukang nguseup anu
kapincut ku nila.
“Eupan nila anu pangjétuna euweuh deui salian ti lukut. Bisa éta
ogé maké cacing, tapi sok mindeng
kapiheulaan disanggut ku nila
laleutik. Nila gedé mah leuwih resepeun kana lukut tinimbang kana
cacing,” Mang Agus ngémbohan.
Lukut hirupna dina cai hérang
nu majuna teu tarik teuing sarta
tempatna kapentrang ku panonpoé.
Lukur bisa hirup di sawah, di
walungan, balong, ranca, jeung
situ. Biasana jadi sorangan, tara
Aya kalana ngala lukut
kudu paheula-heula jeung batur (nét)
48
Manglé 2447
50.
Lukut
Ti Situ Tepika Warung
ngahaja dipelak.
“Ayeuna mah ngala lukut téh
sesah. Kedah paheula-heula sareng
tukang nguseup nu sanés, atanapi
sareng tukang icalan lukut,” ceuk
Heri, masih kénéh tukang nguseup
urang Banjaran.
Naon anu ditétélakeun ku Heri
éstu dienyakeun ku Endang,
tukang nguseup urang Cimaung
Kabupatén Bandung. Ceuk Endang, lamun rék nguseup ka
bendu ngan Saguling anu aya di
wewengkon Cililin Kabupatén
Bandung Barat manéhna mah tara
ngala lukut, lantaran di sapanjang
jalan méméh ka panguseupan gé
nu dagang lukut téh ngajajar.
Cukup ku ngaluarkeun duit lima
rébu rupia Endang bisa meunang
sakérésék leutik lukut, cukup keur
nguseup sapoé jeput.
Tukang dagang lukut umumna
mah ngandelkeun lukut meunang
ngala ti alam, lantaran masih
kénéh langka aya lukut hasil budidaya. Unggal tukang lukut geus
pada apal tempat-tempat anu réa
lukutna. Salasahiji pangalaan
lukut téh nyaéta di Situ Cisanti nu
aya di mumung gang Gunung
Wayang di pakidulan Bandung.
Méh saban poé di Situ Cisanti pulang anting parahu nu ngala lukut
di dasar situ, cenah mah keur
jualeun ka tukang dagang lukut di
daérah Saguling, Cirata, jeung
Jatiluhur.
Aya kalana ngala lukut téh kudu
nepi ka tempat anu kawilang jauh.
Ceuk katerangan tukang lukut
urang Padalarang, urang sebut baé
Mang Aép, sok réa tukang lukut
anu mapay sawah, ranca, jeung balong di daérah Rancaékék, Cicaléngka, nepi ka Garut. Sakali
ngala manéhna sok meunang
sakarung nepi ka dua karung lukut.
Transportasina cukup ngandelkeun
karéta api ékonomi atawa KRD.
Lantaran réa saingan ngala lukut
Manglé 2447
Kolot-budak pada resep kana nguseup (nét)
téh sok paheula-heula. Lamun
manggih lahan pangalaan lukut
anyar, Mang Aép tara geruh ka nu
lian.
“Malah lamun lukutna geus
diala téh ku Mamang mah sok terus
diawuran uyah, sangkan paraéh,
jadi batur teu apaleun di dinya réa
lukutan. Engké geus tilu poé atawa
geus saminggu ditéang deui,
lukutna geus jaradi deui, bisa diala
deui,” pokna.
Kiwari mah usaha kana lukut
téh geus bisa dijadikeun pakasaban
geusan nyumponan kabutuhan
hirup sapopoé. Lukut keur jualeun
biasana diteundeun dina wadah
atawa dina bak nu deusian ku cai
nu terus ngocor tur beresih.
“Alhamdulillah tina icalan lukut
téh tiasa dianggo tuang sareng
nyumponan kabutuhan sadidinten
sanésna,” ceuk salasaurang warga
Banjaran anu remen dagang lukut
di Saguling saban usum nguseup.
Ceuk katerangan ti Bah Uyun,
tukang nguseup spésialis nila, lukut
keur eupan sacara umum aya dua
jenis, nyaéta lukut badag jeung
lukut lembut. Lukut nu badag mah
ilaharna heuras sarta kudu diawuran heula uyah saeutik,
sangkan rada lémpés tur babari
napelkeunana kana eluk useup. Aya
kalana méméh dipaké eupan lukut
sok dibungbuan atawa diseungitan
heula.
Bungbuna
atawa
panyeungitna aya nu maké Royco,
panéli, ésén (pewangi buatan),
malah aya nu maké minuman Kuku
Bima sagala, gumantung seléra
jeung
kapercayaan
tukang
nguseup.
“Pikeun nu can biasa mah
napelkeun lukut kana eluk kudu diajar heula, lantaran béda jeung
napelkeun eupan buatan atawa cacing. Carana tali useup dicekelan
ku leungeun kénca sarta eluk
dicekel ku katuhu tuluy dipuirkeun
cara tali saprintrong, geus kitu mah
tali useup kari dijungjungkeun,
lukut bakal napel kana eluk,” Bah
Uyun ngémbohan.***dédé
49
51.
Tang Téng Tong
KuMaryani
A
déng ari nénéh nu aslina mah.
Ngan teuing kumaha, ti jaman
keur sakola di SD sok pada
nelah Saitong, atawa Adéng Saitong.
Teu apal saha-sahana anu ngamimitian ngalandih téh, ngan nepi ka ayeuna geus pada-pada SMP ngaran éta
beuki ka kenal ku saréréa. Lain ukur di
lembur ieu hungkul, tapi nepi ka lembur-lembur séjénna.
Abong keur pantaran sakitu. Kana
baong téh geus biasa, kadaharan
sapopoé. Sok sanajan mindeng dicarékan ku kolot, atawa ku tatangga anu
pareng mun aya naon waé barangbarang anu dipaké ulin terus ruksak.
Harita gé kitu. Isuk-isuk kénéh Si
Saitong geus ka imah. Ceuceuleuweungan.
“Atééééénnnggg...!!!”
“Huusssttt... maké ceuceuleuweungan sagala da lain di leuweung...” Apa
ngagebés.
“He he he he....” Si Saitong ukur
nyéréngéh.
“Ulin ka mana euy?” kuring némbal sanggeus hareupeun manéhna.
“Ka sawah yu, urang ngurék. Ké
balikna urang ngaliwat ka Caneang,
susuganan néng Iin keur aya di luar.”
“Mun aya dék kumaha?”
“Urang gulaan, terus lamotan...” Si
Saitong semu keuheul.
“Ka mana waé nyarita téh...”
“Tuda didinya, maenya teu ngartingarti, nya mun aya mah urang
heureuyan atuh, susuganan nyangut.”
“Terus mun geus nyangut, dék
dibeubeutkeun kawas ka belut.”
“Euuhh... nyanéh mah, geus ahh...
hayu urang ngajak si Tatang.”
“Tapi euy..., uing mah sieun ku
Akina. Galak pisan...”
50
“Gampang urusan akina mah.”
“Kumaha?”
“Ké mun aya akina, béré peremén
wé. Da pasti bakal atoheun.”
“Puguh da akina téh budak leutik...”
“He he he nyéta kitu eung, akina
jadi penghalang, menjadi duri dalam
perjuangan aku buat mendekati néng
Iin.”
Kuring néké sirah si Saitong anu
keur tatanggahan ka luhur bari
ngaréngkénék pepeta.
Sanggeus ngajak Si Tatang, bring
ka sawah. Ting gareblig néangan
bancét. Sanggeus meunang, terus dipaké eupan keur ngurek.
Babarengan ngurekna muru ka
lembur Caneangkeun. Da satujuan,
sarua hayang panggih jeung néng Iin...
Teu nyalahan, sisi jalan deukeut
imahna, néng Iin keur arulin jeung
baturna. Ningali rentang-rentang aya
nu ngurek bari apal saha-sahana téh,
Néng Iin jiga nu ngahajakeun.
Hareureuy bari aluman alimen hayang
kataksir.
Sanggeus rada deukeut...
“Néng Iin...” Si Saitong miheulaan
nanya.
Nu ditanya teu némbalan, kalah
silitoél jeung pada baturna.
“Néng Iin...”
“Kaahh...”
“Annyiirrrr.... hati ini serasa terhenpaskan ke alam mimpi!” Saitong
ajrag-ajragan.
Néng Iin beuki aluman-alimen,
beungeutna beureum éraeun.
“Hayu atuh tong jojorowokan di
dieu, urang deukeutan, yu!” Tatang
mairan.
“Hayu!!!” Saitong giak.
“Tapi euuyy...,” Tatang teu kebat.
Panonna manco kana galengan sawah
anu karék nang mopok.
“Laahh... inih bukan masalah...”
Saitong ngaléngkah kana galengan
nang mopok téa. Belesek. Belesek.
Galengan nang mopok ruksak teu
mangrupa. Ahirna kuring jeung
Tatang miluan nincak galengan éta.
“Ulah ka dieu! Ulah ka dieu!” Néng
Iin ti kajauhan ngagorowok, kawas nu
boga kasieun.
Tapi kuring jeung sabalad-balad
teu ieuh maliré. Terus wé nincak
galengan nu éta.
Karék gé dék nepi ka tungtung
galengan lebah jalan satapak. Kotoktrak! Panto hareup imah Néng Iin
muka, gantawang saurang lalaki kolot
ngambek awong-awongan.
“Siiahhh... saha mangkelukna anu
kumawani nincek galengan anyar
nang mopok, hah!”
Kuring
jeung
sabalad-balad
ngarénjag. Geus katelah akina Néng
Iin kawilang gedé ambek. Katurugturug geuning ieu sawah téh nu
manéhna, paingan tadi néng Iin nitah
balik deui da apaleun.
“Saha mangkelukna?!”
“Euu... itu barudak...” Néng Iin teu
kebat.
“Paingan!!! Paingan siah barudak
barantangul hungkul, siah Grup Tang
Téng Toooonngg!!! Tatang, Aténg,
Saitong. Ka dieu siah!!!” Akina Néng
Iin gugupay.
Atuh kuring sabalad-balad lain
nyampeurkeun, tapi kalah kalabur da
sieun diténggor.
Néng Iin jeung babaturanana mah
kalah saleuseurian.
***
Manglé 2447
52.
Saté Tutung
Isuk-isuk kénéhsabada solat Idul Adha,
si Jalu geus saged. Basa ditanya téh, cenah
hoyong ningal domba anu A Uju dipeuncit.
Kuring ukur imut ningali polah nu jadi anak
téh...
“Maahh... pang damelkeun kanggé saté
nya, Aa hoyong nyaté daging domba engké
rada siangan....”
Kuring unggeuk, meungpeung si
bungsu saré kénéh, langsung wé ka dapur
kukumbah wadah, bari sakalian kekeprek
di dapur.
Sabot keur kitu, salaki ngelol ka dapur...
“Itu si Jalu cenah hoyong saté daging
qurban, cing pangdamelkeun tindikna
sababaraha siki mah...”
“Siiiaaappp bosss...”
“Cikopi dina méja, panas kénéh karék
cur.”
Kuring mah neruskeun deui bébérés di
dapur, nyangu, bari sakalian pang nyieunkeun bungbu saté.
Kira-kira jam sapuluh, Si Jalu hariweus-weus ka imah bari mawa pincuk daun
waru.
“Mamah... ieu daging damel saté...”
“Naha ning tos gaduh daging, pan teu
acan dibagikeun?”
“Da ieu mah pamasihan ti Mang Dodo,
nuju nyacag daging.”
Sanggeus bérés ngeureutan daging keur
satéeun, terus dibawa ka hawu, da ruhay
mah can pareuh ti tatadi gé.
“Mah... kécapan nya?”
Kuring unggeuk. Saté didéang-déang...
saté téh téréh asak.
“Mahh... itu si Adé nangis...”
Kuring gura-giru ka kamar. Enya wé¸si
bungsu ngompol. Atuh kajongjonan ngaganti calana jeung bajuna sakalian.
Teu kungsi lila Si Jalu datang...
“Maahh...”
“Énak saté téh?” bari teu ningali ka nu
datang.
“Énak..., tapi....”
“Ku naon kitu?”
Barang dilieuk, Gustiii.... biwir Si Jalu
meuni lamédong ku aréng. Ngagayem daging bari bibirigidigan.
Buru-buru dirawél,
“Duuhh... tungtung ning ieu mah..., pait
nya?”
Si Jali unggeuk.
“Karunya teuing, hampura Jalu, tuda
ema kaburu ngurus si bungsu. Yu urang
meuleum deuih anu saé, nu ieu mah piceun
wé da tutung.” ***
Adiyta Saputra
JL. Pecinan No. 90 Cicalengka
Manglé 2447
Sabada Hajian
Lumrahna urang dieu, sanajan keur
nyanyabaan ka jauhna ogé kana kabiasaan
di lembur mah tara poho. Manakomo
upama kabiasaan éta téh geus dibiasakeun
ti bubudak. Hésé baé rék dirobah téh. Sabodo teuing taktagé mun keur nyanyabaan
biasa mah. Ngan mun keur nyanyabaan
luar biasa saperti ka Tanah Suci kuduna
mah aya bédana.
Kétang rada saleuheung basa arinyana
keur maraké kaén ihrom kénéh mah. Maksud téh nu rék heureuy ogé sok siling geuingkeun. Ma’lum bisi kudu (mayar) dam.
Mangkaning mun ku onta harita kira-kira
400 Riyal. Ngan keukeuh waé réa nu keuna
ku paribasa adat kakurung ku iga téa. Kaharti téa mah moal ogé aya paribasa kitu
mun tara karitu mah.
Anjog ka kémah di Mina, kila-kila balik
deui ka bihari geus mimiti katémbong.
“Awas, tong ngujur ka dieu ngedengna”,
ceuk salasaurang ka baturna. Ceuk nu
saurang deui. “Poho, euy rarasaan geus dicalana”, bari seuseurian. Teu sabaraha lila
ti jamaah awéwé aya nu mairan, “Enya yeuh
mangkaning geus dua minggu taya nu
nyimbeuhan”, pokna rada bedas. Kateuing
naon maksudna.
Manakomo saentasna petugas ti KBIH
nandeskeun, “Alhamdulillah ti kawit
ngantunkeun Arofah, urang sadayana tos
resmi janten haji/hajjah. Taya sanés mugia
urang sadayana janten haji/hajjah nu
mabrur/mabruroh. “Mung teu acan tiasa
nu hiji mah. Margi nu hiji mah engké pami
tos rérés tahallul tsaani. Wayahna tahan baé
heula”, saurna.
Bérés mabit di Mina, “Di dinya enggeus
naék onta acan? Bisi arék, buru tuh meungpeung aya di luar. Sapuluh Riyal”, ceuk
salasaurang ka baturna. Ceuk nu diajak
nyarita, “Moal, ke waé di Mekkah bérés
tahallul tsaani rék tumpak onta bawa ti lembur”. Kurang asem.***
Mahmud Yunus - Banjar
Kakurangan Kacang Kadele
“Surdi, nyanéh nyaho teu, yén ti mimiti
poé isuk teuing nepi ka iraha moal aya nu
dagang tempe jeung tahu?”ceuk Gojali bari
ngadaweung di saung sawah.
“Naaa..., bet teu kudu hariwang, pilakadar euweuh tempe jeung tahu. Dahar
mah jeung sambel tarasi dicoel ku seupan
jantung gé moal burung seubeuh. Sayurna
sayur tutut weh, tinggal ngalaan di sawah.”
Tembal Surdi teu pati ngaréspon kana
omongan Gojali kitu téh.
“Ih, ari nyanéh, pan ayeuna téh keur
usum krisis. Cik atuh sing aya rasa paduli,
ulah cuek teuing kana pasualan hirup téh.
Sing hayang apal di nagara urang teh keur
ngalaman krisis, aya krisis harga bawang,
krisis harga daging sapi, krisis kurs rupiah
nu nyirorot jeung krisis harga kacang
kadele nu hargana salangit. Tah ku mahalmahalna harga kadelé, ti mimiti poe isuk
sakabeh pangrajin tahu tempe rek demo ka
mentri perdagangan, sangkan harg kadele
diturunkeun” ceuk Gojali nyaritana anca tur
teleb.
“Ceuk saha maneh nyaho yen tukang
tempe jeung tahu rek demo?” ceuk Surdi
rada ngerejet ayeuna mah mimiti milu hariwang.
“Tadi ceuk indung budak basa meuli
tempe di Haji Otoy. Tah ngadéngé isuk
moal aya nu dagang tempe, indung budak
nu biasana sok meuli dua gepok ge, ngadakngadak meuli lima gepok,” ceuk Surdi semu
nu kagét dumeh pamajikan Gojali meuli
tempe sasangkleng.
"Heueuh pan isuk mah moal aya nu dagang tempe jeung tahu,” cek Gojali
ngomongna anca.
Geus kitu duanana jep jerempling taya
nu ngomong sakemek oge. Angin pasawahan nu parena keur beuneur hejo karasa
ngahiliwir nebak dangdaunan nu tingarulang. Rombongan manuk piit katembong haliber luhureun sawah aya kana
ratusna. Harita panon poé geus méh
manceran. Sora cai dina pancuran kadéngé
nyuruluk ninggang kana papanggé awi nu
geus bareulah alatan ka poe.
"Heueuh nya, nagara urang merdeka
geus genep puluh dalapan taun, tur geus
kakoncara ka mancanagara yen Indonesia
teh subur makmur tur lega upluk-aplak ti
Sabang nepi ka Maroke tapi naon sababna
kudu ngalaman krisis pangan, hususna krisis kacang kadele?” Ceuk Surdi bari melong
ka jauhna bangun nu jauh panineungan.
"Tah ieu sabenerna nu kudu jadi
pamikiran urang téh. Di tanah anu sakieu
suburna tur sakitu upluk-aplakna, ku naon
bet kudu kakurangan kacang kadele,
bawang, oge daging sapi?” Surdi tumanya
teuing ka dirina teuing ka saha.
“Naha pamarentah teu mampuh
ngagerakeun para patani pikeun melak kacang kadele di unggal propinsi bari
gemukna disubsidi?” ceuk Gojali bangun nu
garegeteun naker.
“Teuing lah uing gé bingung nempo
kaayaan kieu mah. Ceuk para pakar pertanian nah na¬gara urang teh geus salah urus
cenah. Balukarna widang pertanian teu pati
kapalire, nepi ka rahayat katalangsara
tangka harga kadele ngajaul ka langit," ceuk
Surdi bari ngolesed ti saung ranggon rek
terus mulang da geus burit.
Ayah Kawunglarang
Rancah 46387
51
53.
atuh!!!
Ngan saukur alushungkul,
bisulna jadi herang pisan.
Légénda
Akang: “Lalajo kamari timnas urang bisa ngéléhkeun
Koréa, bet ras inget ka diri
sorangan. Pan baheula uing
téh pamaén légéndaris.”
Baturna: “Kutan? Asa tara
ngadangu euy. Tingkat
naon?”
Akang: “Tingkat RT. Uing
baheula kasohor pamaén
panghadéna sa... RT mah.”
Baturna: “Nyaan uing mah
kara apal. Turunan kitu
pangna ilaing jadi sang
légénda téh?”
Akang: “Nya heueuh. Baheula bapa uing disarebut
sang légénda. Tapi dina
widang .... lalajo maénbal.
Unggal aya maénbal bapa
uing tara kaliwat lalajo.”
Renny Rosmawaty
Jl. H. Basuki 42
Bandung
Aya Bédana
Iis: “Pagawéan jelema horéng
bisa katara nya tina keur
ngalahirkeun ogé.”
Ani: “Maksudna?”
Iis: “Enya basa Bi Mimi
ngalahirkeun, na da orok téh
lain ceurik tapi kalah
babarakatakan.”
Ani: “Maenya? Ari kitu pagawean Bi Mimi téh naon
kitu?”
Iis: “Tukang ngarang ... Ha...
ha... ha...”
Renny Rosmawaty
Jl. H. Basuki 42
Bandung
Saluyu
Alona: “Mang bener kitu
lamun ngimpi dahar dawegan bakal jadi pajabat?”
Emangna: “Enya
bener
pisan. Ari kitu Alo ngimpi
dahar dawegan?”
Alona: “Puguh enya Mang,
tadi peuting. Tapi pan Alo
mah Mang ukur tamatan SD.
Bakal jadi pajabat naon nya?”
52
Emangna: “Ari Alo? Nya
tangtuna gé disaluykeun atuh
jeung pendidikan. Mungkin
waé jadi pajabat ... RT atawa
ketua Karang Taruna.”
Ida Farida
Jl. Sukarno Hatta KM 14
Bandung
Wewesén
Amang: “Ari kolot baheula
teuing
ku
garagah.
Wewesénna sakapeung mah
teu kaharti ku akal.”
Amung: “Contona?”
Amang: “Aki déwék. Basa aya
munding édan, da éta mah
ukur sakilat ditéwak. Diparieuskeun
beuheungna
langsung ngajehjer.”
Amung: “Asa teu anéh éta
mah. Komo Aki déwék mah.
Munding téh aya tujuhna.”
Amang:”Dikumahakeun?”
Amung: “Diangon.”
Ida Farida
Jl. Sukarno Hatta KM 14
Bandung
Bédana
Aki Atma: “Jang Lurah, Aki
hayang apal, naon bédana
paparaji di luar nagri jeung
paparaji di lembur urang?”
Lurah: “Ih Aki mah. Ari paparaji di luar nagri mah
wartawan tukang motoan
bangsaning
sélébritis.
Sedengkeun paparaji di lembur urang mah nyaéta...
salakina paraji.”
Ida Farida
Jl. Sukarno Hatta KM 14
Bandung
Obat bisul
Bangkuang diparud, terus
dicampur
dua
sendok
minyak
zaitun,
terus
oleskeun kana bisul anu keur
meujeuhna hejo. Diulangulang sing mindeng. Sae keur
bisul...
Cageur teu? Nya henteu
Roro Dewi
Jl. Pasirkoja 90 Bandung
Pulisi :"heueuh tapi..
Odo : lampu oge hurung
tuh...
pulisi :"(kerung) heueuh
kehed! tapi ieu jalan karéta
api sia téh!
Ade Resdiansyah
Jl. Astana Anyar No. 23
Konsultasi
Pasen : Mun geus ngosok
huntu, naha mun bade tuang
teh huntu sok ngilu, atawa
linu.
Dr. Udin : Eta disebabkeun
huntu anu sensitif, ngarah
teu ngilu eta huntu, gampang. Mun anjeun dek dahar,
kudu nyumput heula ngarah
huntu teu milu wae.
Menta Maaf
Poe ieu hebat pisan, aheng,
nepi ka loba jelema nu menta
maaf. Kabeh marenta maaf,
nepi ka basa di ATM ge, aya
tulisan kieu “Maaf saldo anda
tidak
mencukupi”
emmmhhh.. nasib...
Roro Dewi
Jl. Pasirkoja 90 Bandung
Ade Resdiansyah
Jl. Astana Anyar No. 23
Ambek
Rina : "Aa, Aa sudah menodai
enéng, pokokna Aa kedah
tanggung jawab..
Aa : " Tenang néng, kan aya
Rinso Anti Noda.. Sekali
kucek, Noda béréééss..
Lebay
+ Aanyirrrr... etaa status
maneh lebayyy...
- kuma uing we, status-status
uing..
+ Lain kitu, cik atuh update
teh dina facebook.
- Pan ieu ge dina facebook.
+ lain ge facebook eta mah,
tapi tembok imah wa haji.
Ridwan Irawan
Jl. Arjuna No. 12
Sato
Adul : sato naon anu sorana
bisa kadéngé ka dua nagara?
Wa haji : manuk béo.
Adul : salah.
Wa haji : naon atuh.
Adul : jangkrik.
Wa haji : hahahaha... sora
jangkrik mah laun euy, jadi
bisa kadenge di dua nagara.
Adul : jangkrikna we aya
diperbatasan
Indonesia
jeung Malaysia.
Ridwan Irawan
Jl. Arjuna No. 12
Tilang
Pulisi :"Priiiiii tt...pritttt....
maneh tong mawa motor..
Odo : naha pa motor nu kuring ieuh.
Pulisi : tapi man..
Odo : ieu Sim, Stnk komplit
pa,
pulisi : heueuh tapi..
Odo : tpi naon, uing make
jeket. Sapatu, teu kekebutan
barina ge..
Ryan Darmawan
Jl. Jamika No. 45
Nyeri tikoro
Ema : "ku naon muyung
kitu?"
Jalu : "Puguh ma,, bet kalah
nyeri tikoro, komo mun
barang dahar mah nyeri
pisan..."
Ema : "Na kunaon atuh? "
Jalu : "eta, sigana kamari
ngadahar sate embe, ma."
Ema : "Haarr... naha beut
jadi nyeri kana tikoro?"
Jalu : "Jigana tusukna kamari ka teleg, ma. Nyugak."
Ryan Darmawan
Jl. Jamika No. 45
Timnas U-19
Santa : Hébat timnas U-19
abus putaran final Piala Asia.
Santo : Ah, biasa baé ceuk
urang mah. Manéh nongton
kitu?
Santa
: Henteu puguh.
Pédah, ceuk batur. Ari manéh
Manglé 2447
54.
nongton?
Santo : Nongtonnepi ka
anggeus ogé.
Santa
: Béjana Si Evan
Dimas mencetak hétrik,
heueuh kitu?
Santo : Enya. Sabenerna
kabéh ogé aralus maénna.
Ngan nu leuwih alus mah
réporterna.
Santa : Kumaha kitu? Hanjakal teu nongton.
Santo : Keudeung keudeung,
Ahhaaaay !!! Ahhaaaay !!!
Mahmud Yunus
Qurban
Udin : "wa Haji taun ayeuna
qurban?"
Wa Haji :"qurban atuh din,
sapi."
Udin : "mana atuh menta
sapina sajodo wé!"
Wa Haji : "na ari manéh.."
Astri S
Jl. Gurame no. 123
Teu puguh
Ani : aku orang sunda loh!
Adul : naha nyaritana geuning indonesia?
Ani : sebab aku orang indonesia.
Adul : ah, plin-plan maneh
mah!
Ani : ???
Astri S
Jl. Gurame no. 123
Tatanya
- "Maaf Mang, tatanya. Ka
mana jalan ka Pasar Anyar?"
+ "Jalan ka Pasar Anyar mah
mapay jalan satapak, bras ka
Jalan Braga. Pas parapatan
ka kanan badarat natrat ka
barat. Pas lawang Pasar Babatan, tanyakan ka jalmajalma, jangan ka hayam,
Jalan Pajagalan. Tah...mapah
saja mapay Jalan Pajagalan
yang banyak tatangkalan.
Bras ka Jalan Astanaanyar,
datang saja ka Pasar Anyar.
Aya maksad naha ka Pasar
Anyar?"
- "Ah, taya maksad nahanaha, hayang tatanya saja ka
Mamang."
Manglé 2447
+ "Hah, sakadar tatanya?
Haram jadah, hanas pasaka
ngabamblam sarwa A. Bayar
ah! Anda kagak bayar, akan
saya antarkan ka naraka
jahanam!"
- "Hah?"
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
Sarakit
Dikin: “Lamun uran boga
sawah 100 tumbak, heg digaru ku munding sarakit,
kira-kira bakal anggeus
sabedug atawa moal?”
Bubun: “Nya pasti bakal
anggeus atuh!”
Dikin: “Ari ceuk dewek mah
moal, euy!”
Bubun: “Haaar..., nya naha?”
Dikin: “Apanan mundingna
sarakit, alias keur garering!
Jadi tangtuna oge moal bisa
digarawe.”
Agus B. Irawan
Desa Neglasari
Cisompet – Garut
Pangarti
“Sigana salah euy pribahasa
nu nyebutkeun yen pangarti
mah moal beurat mamawa
teh!”
“Har, nya naha kitu?”
“Pedah wae kuring teh sarjana hukum, ngan basa aya
nu nanya-nanya perkara
hukum teu bisa, asa beurat
teh mamawa gelar sarjana
hukum teh!”
“Heueuh da maneh mah
odob, pangartina ngan ukur
pangarti KTP jeung izasah!”
Nissa Hoerunisa
Jl. Cijawura Dalam XI
No. 167
Buah Batu – Bandung
Mobil Murah
Kabayan: "Enyaan pamaréntah téh bageur, Teung."
Iteung: "Bageur kumaha kitu
Kang?"
Kabayan: "Nyadiakeun mobil
murah."
Iteung: "Tah geuning...laksana ayeuna mah hayang
mobil téh. Meuli lima Kang
hiji séwang keur abdi, Akang,
si Abah, si Ambu, jeung si
Itok, ngarah teu parebut.
Sabarahaan cenah mobil
murah téh?"
Kabayan: "Murah, ngan salapan puluh jutaaan."
Iteung:
"Sabarahaaa...?"
(kelepek si Iteung kapiuhan)
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
Balak
Guru ngajar matematika ka
murid-muridna:
Guru: “2+6= ... Ipin?”
Ipin: “8 Bu Guru.”
Guru: “4+6= ... Upin?”
Upin: “10 Bu Guru.”
Guru: “6+6= ...”
Murid: “Balaaak Bu Guru ...”
Guru: “???”
Desdi Irbaryana
Perum Jatihurip
Sumedang
Bunuh Diri
“Eta di Arab aya kleup sepak
bola nu meunang 20-0 lawan
klub ti India.”
“Hebat atuh, bisa 20-0, jigana alus pisan klub sepakbolana.”
“Ah, biasa wae.”
“Terus, eta bisa nepi ka 200?”
“Da golna oge bunuh diri
kabeh!”
Desdi Irbaryana
Perum Jatihurip
Sumedang
Wisuda
“Cing, naon hartina ari
wisuda?”
“Wilujeng susah damel ...”
“Bener pisan euy, sarjana
jaman kiwari mah kalah
pabalatakna.”
Nissa Hoerunisa
Jl. Cijawura Dalam XI
No. 167
Buah Batu – Bandung
Luncat Indah
Pelatih : “Sok luncat.”
Ibro : “Tapi, abdi mah teu
tiasa ngojay..”
Pelatih : "Nyantéi wé, da
kolam renang na gé teu aya
caian ieuh.”
Dicky Awaludin
Panyileukan Blok V No. 24
Miceun Beungeut
“Maneh mah unggal pasanggrok jeung awewe teh sok asa
remen miceun beungeut?”
“Karunya euy!”
“Karunya kumaha?”
“Bisi barogoheun ningali
beungeut uing!”
“Si ... garilaeun nu aya!”
Nissa Hoerunisa
Jl. Cijawura Dalam XI
No. 167
Buah Batu – Bandung
Cinta
Onyon: "Cinta téh aya dua
rupa, Gin."
Ogin: "Naon waé tah?"
Onyon: "Cinta pulsa jeung
cinta palsu."
Ogin: "Maksudna cinta
pulsa?"
Onyon: "Cinta pulsa mah
cintana nu baroga HP. Teu di
mana teu di mendi, kudu baé
mikiran pulsa."
Ogin: "Ari cinta palsu?"
Onyon: "Éta mah ilaing. Ari
ngaku sobat dalit ka déwék,
tapi teu nawaran roko
sabatang-batang acan."
Ogin: "Ménta udud mah
ménta udud wé atuh seblu
montong mamawa cinta
sagala!"
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
Pinter Kodék
Bapa: "Tong diajar udud, pamali, matak belet!"
Anak: "Sarua bapa gé tong
curak-carék, pamali, bisi pinter!"
Bapa: "Alus wé pinter mah."
Anak: "Alus kumaha pinter
kodék. Ka budak nyaram
udud, ari bapa melenyun teu
eureun-eureun!"
Bapa: "?!"
Féndy Sy. Citrawarga,
Bandung
53
55.
Partey Pulitik
K
alungguhan parteypulitik,
dina mangsa reformasi
ayeuna, pohara pentingna
kulantaran
nangtukeun pisan
lebah nyalonkeun pamingpin boh
di tingkat nasional (presiden) boh
di tingkat lokal (gupenur, walikota,
bupati). Ngan nyaeta atuh, hadirna
parpul (partey pulitik) dina kahirupan pulitik urang ayeuna teh
sasatna henteu ditataharkeun. Memang, teu ngabibisani ku kitu tea
mah, kulantaran kajadian reformasi
1998 oge apan ngagentak pisan.
Atuh proses satuluyna, estuning
sagala rupana digariduskeun kitu
wae, henteu aya “perencanaan” kitu
deui “pentahapan”.
Hal bieu beda pisan jeung
hadirna Orde Baru nu tembong
lengkah-lengkahna dibarengan ku
strategi nu jelas. Lebah dieu, dalah
di kumaha, tembong pisan kamampuh Soeharto minangka “seorang
ahli strategi ulung”. Nu matak kuring mah sok ngomong jero hate
bari jeung satengah ngutruk, ‘Wah,
ana kieu mah, dibandingkeun jeung
figur Soeharto, kabeh pamingpin
ayeuna mah saperti SBY, kitu deui
Amin Rais, saukur orang cebol
wungkul !’
Coba geura, mangsa kiwari,
parpul dibere kawenangan nu sakitu gedena, tapi ti mana dana
pikeun ongkos kagiatanana? Apan
henteu dipikirkeun ti awalna. Komo
deui bari pemiluna oge make cara
“pemilihan langsung”. Puguh wae
mikabutuh dana pulitik nu sakitu
gedena. Eta geura beaya pilkada
apan nepi ka trilyunan. Naon
akibatna? Nya korupsi pulitik
mahabu di mana-mana. Leuheung
mun pamarentahan jalan tur
nimbulkeun karaharjaaan, tapi
apan ieu mah jauh mela-melu kana
kitu.
54
Nu matak helok, kunaon hal
saperti kitu henteu diantisipasi ti
awalna? Nya kakara ayeuna, saperti
diantarana ditepikeun ku Rizal
Ramli, timbul gagasan supaya
parpul dibeayaan wae cenah ku
nagara. Mun kitu parpul teu kudu
pusing deui neangan duit pikeun
nutupan beaya operasionalna. Atuh
satuluyna nya moal degdegler deui
korupsi. Mangpaat sejenna, kulantaran parpul dibeayaan ku nagara, nya sarua jeung mere
kasempetan ka sakumna kader
pulitik, kaasup kader pulitik nu
potensial tapi miskin, bisa milu
aub kana kagiatan pulitik. Cenah,
di sababaraha nagara, hal saperti
kitu teh geus dilarapkeun. Hanjakal, Rizal Ramli, can ngitung
sabaraha gedena dana tina APBN
pikeun ngabeayaan partey pulitik
teh. Nya, puguh wae, teu kabeh
nyaluyuan pamanggih Rizal Ramli.
Diantarana, Rias Rasyid pohara teu
satujuna kana pamanggih bieu.
Mun kitu cenah, parpul moal bisa
independen deui, padahal partey
pulitik teh kaasup bagian tina
masarakat sipil (civil society).
Sulit atuh mun mikirna mutlakmutlakan saperti kitu mah.
Sabenerna, bisa wae gagasan Rizal
Ramli dilaksanakeun, tapi make
sarat. Upamana wae, dilaksanakeunana saheulaanan, moal saendeng-endeng.. Tah, engke mah mun
bangsa urang geus maju sarta ma’mur, pek wae partey pulitik bebas
deui henteu gumantung kana bantuan dana ti nagara. Malahan,
pemilu make cara milih langsung
oge bisa dilaksanakeun deui ti
mimiti milih bupati, walikota, gubernur nepi ka presiden.
carana supaya partey pulitik sehat
tur
walagri. Pohara bahlana
mercayakeun kahirupan nagara, nu
cacah jiwana leuwih ti 200 jutana,
ka partey pulitik nu ayeuna katerap
rupa-rupa kasakit. Cik atuh
ayakeun aturan supaya parpul
nyeleksi kader-kaderna nu bakal
ngalalakon di pamarentahan.
Upamana wae saban caleg teu
cukup diseleksi ku pangurus partey
pulitikna wungkul, tapi leuwih
hade ngaliwatan heula proses “fit
and proper test” ku lembaga ahli.
Jadi, ngan caleg nu geus lulus tina
tes bieu nu bisa tarung dina pemilu.
Tah, mun kitu meureun pulitisi nu
“bermasalah”, mangkeluk koruptor
saperti ayeuna, bakal kasaring ti
awalna keneh. Atuda ironis pisan,
ari ka batur para pulitisi teh
(anggota DPR) ngayakeun “fit and
proper test” ari diri sorangan teu
ngaliwatan proses nu sarua.
Kumaha bisana muncul pulitisi nu
sehat atuh?
Memang,
parpul
kudu
salawasna
pada
nalingakeun.
Masarakat perlu ngayakeun dialoh
mayeng jeung saban partey pulitik
supaya kanyahoan kumaha kaayaan
luar- jerona. Malah, parpul sorangan sakuduna aktip nedunan hak
rahayat pikeun nyaho kumaha
sabenerna kaayaan parpul teh, kaasup tangtuna oge kahirupan kaom
pulitisina. Naha waras atawa teu
eling ? Tembrakkeun sabaraha rajakayana samemeh jeung sabada
nyekel kalungguhan di pamarentahan.
Sagala rupa oge atuh, leuwih
hade pait ti awalna tibatan engke
tuluy ngabarubahkeun sarerea.
Karno Kartadibrata.
Nyehatkeun parpul
Nu jadi masalah mah kumaha
Manglé 2447
56.
KA GIGIR:
1. Parabotpaninggaran
4. Sieun
7. Gajih
8. Limaratus lambar
9. Imah urang Êskimo
11. Carita
14.Hewan laut/sok dipakée ku orok
17. Talatah
19. Jalan cileuncang
22. Inuman nu ngandung alkohol
24. Panampungan cai
25. Ngaran batu permata
26. Patokan
27. Pangeureunan karéta/beus
KA HANDAP:
1. Héwan kurban
2. Tanah di tengah laut/di tengah
situ
3. Peti keur mayit
4. Pangdiukan dina sapéda
5. Panampungan militér
6. Sering
10. Ibarat
12. Kuring (Arab)
13. Henteu
15. Akang (Minang)
16. Waktu solat
17. Tempat wukuf
Manglé 2447
18. Cahya
19. Buron
20. Kuburan
21. Angin puyuh
22. Ngarasula
23. Bungbuahan anu cangkangna
cucukan
Waleran diserat dina kartu pos,
témpélan Kupon Tarucing Cakra No.
1413. Kintunkeun ka Majalah
Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung
40262 paling leuir dua minggu
saparantosna medal.
Nu kagiliran kénging hadiah
Tarucing Cakra No. 1411:
1. Sundari A.
Jl. Jatihandap RT 04 RW 06
Bandung
2. Nia Lisnawati
Jl. Raya Cicalengka KM. 22
Kab. Bandung
3. Engkos Koswara
Jl. Margaluyu RT 05/03 Km 12
Tasikmalaya
Jawaban TTS 1411
Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-
K U P O N
TARUCING CAKRA
NO. 1413
55
57.
Jalma Miskin
“Asa kaéraanIdul adha taun
ayeuna mah, Lo.”
“Kaéraan dina perkara naon?”
“Dina perkara kurban, Lo.”
“Pédah katohyan keur ngantay
daging kurban, Mang?”
“Is, Lain. Mamang mah tara pirajeuneun ngantay daging kurban,
Lo. Cukup ngadagoan nu haat
nganteurkeun daging ka imah wé.
Aya baé rejekina, aya nu haat
nganteurkeun daging ka imah nya
boga daging, henteu gé nya teu
nanaon ari lain rejekina mah.”
“Ngantay mah sieun kaleyek
nyah, Mang?”
“Bener,
Lo.
Kapan
di
sababaraha daérah unggal taun ogé
diwartakeun réa jalma, pangpangna manula jeung budak leutik,
nu kaleyek alatan ngantay daging
kurban.”
“Réa pisan atuh da nu ngantayna, Mang.”
“Enya.”
“Hartina jumlah warga miskin
di urang téh réa pisan. Buktina baé
réa warga anu bélaan pasesedek
ngabélaan satengah kilo nepi ka
dua kilo daging.”
“Bener, Lo. Da ari lain lain Idul
Adha mah teu kabeuli daging téh,
pangpangna daging sapi.”
“Mana komo kiwari mah daging
téh hargana ngajaul pisan, Mang.”
“Beu.”
“Matak pantes lamun momen
Idul Adha téh kacida pisan
ditutungguanana, pangpangna ku
golongan masarakat menengah ka
handap.”
“Bener, Lo. Taun kali curakcurak. Jalma aya babagi kanyaah
sarta kagumbira jeung jalma nu ku-
56
rang mampuh.”
“Témbong
guyubna
umat
Muslin téh ari dina momen Idul
Adha mah nyah, Mang.”
“Kitu pisan.”
“Balik deui kana perkara
kaéraan, Mang.”
“Enya, Mamang téh éra ku jalma
miskin, Lo.”
“Pédah réa nu ngantay daging
“Sok sanajan kasebut
miskin, éta dua jalma téh
kuat tékadna. Henteu
sumerah kana kaayaan.
Manéhna henteu tuma
mprak ménta
dipikarunya, malah laju
bisa méré jeung babagi ka
sasama manusa ku jalan
kurban, sok sanajan kudu
nungguan sakitu lilana.”
“Nyaéta nu matak
Mamang kaéraan gé.”
kurban, Mang?”
“Ih, lain!”
“Ari kitu?”
“Éra ku jalma miskin anu kabedag kurban, Lo.”
“Baruk?”
“Béjana di Sukabumi aya nininini anu hirupna nyorangan,
pagawéanana mulungan rongsokan, tapi kabedag kurban
domba.”
“Bener, Mang. Cenah Si Nini téh
bisa kurban sabada tujuh taun
nabung.”
“Ambuing.”
“Lian ti éta…”
“Naon deui, Lo?”
“Di Pasuruan Jawa Timur aya
tukang béca anu kabedag kurban
sapi sabada sapuluh taun nabung.”
“Euleuh-euleuh.”
“Contoeun
urang-urang
maranéhna téh, Mang.”
“Enya.”
“Sok sanajan kasebut miskin,
éta dua jalma téh kuat tékadna.
Henteu sumerah kana kaayaan.
Manéhna henteu tumamprak
ménta dipikarunya, malah laju bisa
méré jeung babagi ka sasama
manusa ku jalan kurban, sok sanajan kudu nungguan sakitu lilana.”
“Nyaéta nu matak Mamang
kaéraan gé.”
“Geuning?”
“Sok sanajan Mamang teu kaasup miskin-miskin teuing, tapi teu
kabedag nabung keur kurban.”
“Batan nabung mah kalah hayoh
wé ngarep-ngarep aya nu méré daging kurban nyah, Mang?”
“Enya. Ngan henteu wé ari milu
pasesedek ngantay mah.”
“Urang nawaétuan wé atuh
ayeuna mah, Mang.”
“Bener,
urang
nawaétuan
kukumpul. Susuganan ka hareup
mah bisa kurban. Bisa babagi ka
sasama, henteu hayoh-hayohan
ngarep-ngarep paméré.”
“Amin.”
***
Manglé 2447