Mitra Sunda WA - Mangle 2435

7,580 views

Published on

Mitra Sunda WA - Mangle 2435

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total views
7,580
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
7
Actions
Shares
0
Downloads
0
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mitra Sunda WA - Mangle 2435

  1. 1. T adarus Alqur’an jeung ngabuburit dina bulan puasa, jadi kagiatan paporit. Ngan, bédana tadarus Alqur’an mah jalmi pinilih, ari ngabubu- rit mah saha baé. Kaasup nu teu puasa atawa saukur puasa ayakan, ogé ngahaja hayang milu ngabuburit. Kitu deui tempat jeung waktuna. Tempat ngabuburit ilaharna ka tempat-tempat hiburan atawa ka pasar- pasar kagét, nu matak ramé, nu matak teu karasa waktu. Atuh waktuna pasosoré muru waktu ka magrib. Béda deui jeung tadarus, tempatna suwung, waktuna bada Isya sanggeus bérés tarawéh lamun lalaki. Atawa waktu isuk-isuk lamun ninggang di ibu-ibu. Taradus isuk-isuk, lantaran pasosoré mah, ngabuburit ulin téa. Upama nineung ka jaman baheula, saméméh kabi- asaan ngabuburit aya, cenah taradus Alqur’an téh dis- arebutna ngabuburit. (Saperti nu kiwari, masih aya kénéh dilakokan di sabagéan pasantrén). Méméh dur magrib, barudak jeung kolot-kolotna arasup ka masjid maca qur’an, minimal meunang sa-ain éwang. Kituna téh, waktu gé teu karasa beuki nyedek ka magrib. Kiwari mémang lain bihari. Sanajan pada terang Alqur’an téh dilungsurkeun dina sasih romadon, har- tosna kedah dimumulé pisan, tapi ngabuburit cara taradus Alqur’an nu ilahar, asa pamohalan deui. Naon pangna bisa kitu? Naha puasa teu dijadikeun deui pa- mageuh kaimanan urang? Mangga uihkeun deui ka diri séwang-séwangan. *** Tadarus Alqur’an jeung Ngabuburit 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. RANCAGÉ Citak Ulang Sabada Lima Puluh Taun ........................................................... 5 BAHASAN Mangkalan ........................................ 6 SAJAK Palangsiang Muhamad Faisal ............................... 8 PURIDING PURINGKAK Kunti Ki Umbara ...................................... 24 UNAK-ANIK Ngabuburit Resep nu Maca Komik ................... 46 CARITA PONDOK Incu Asup Sakola Salira ............................................... 20 Cimata Panungtungan Mimif Miftahul Huda ......................... 23 Karémbong Nini Novi Yanti ........................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Alit ....................................... 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (166) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (6) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé Aisyah Rubiansah 44 IMPLIK IMPLIK Pangrajin Sapatu Teu Kabagéan Riweuhna Lebaran Potret:Reisyan Wasta kuring Sekar Asih Chadarwati dibabarkeun di Bandung 16 warsih ka- pungkur. Pun bapa sareng pun biang geus pirak sabot kuring masih kéneh SD. Kuring ancik sareng nini ti pun biang di Bandung. Ari pun biang ancik sareng di- gawé di Jakarta pikeun ngabiayaan ku- ring jeung nini di Bandung............ 26 Karembong Nini Jl. Taruna Raya No. 60 Ujungberung Bandung Panata Riasa & Raksukan : Tien Maman Wijaya, LKP. Gilang Kancana Jl. Pasir Layung Selatan I No. 10 Padasuka Bandung Telp. 022- 7200578 Hp. 08156212981
  3. 3. Ngahampura Koruptor N gahampura téh, ceuk ustad gé, salasahiji pagawéan anu gedé ganjaranana. Tapi kumaha lamun ngahampurana téh ka koruptor? Apan salasahaiji anu jadi kaca- pangan dina awal bulan Puasa taun ieu téh soal éta. Nu jadi cukang lan- taranana mah lantaran Priyo Budi Santoso ngahagalkeun ngirim surat ka Presidén Yudhoyono. Eusina aya patalina jeung soal rémisi, atawa ngurangan hukuman ka anu keur di- hukum dina waktu-waktu anu tangtu. Salasahiji rémisi téh sok dikaluarkeun dina bulan Agustus. Lantaran sipatna ngurangan kana lilana hukuman, meujeuhna lamun ku anu keur araya di jero bui diarep- arep pisan. Ka para koruptor gé kitu biasana mah. Nu dihukumna opat taun sakalina meunang rémisi genep bulan, pan lumayan. Opat kali meu- nang rémisi lilana ditahan geus ngu- rangan leuwih ti saparona. Mangkaning dina sataun rémisi téh bisa leuwih ti sakali. Ari kadieunakeun aya usul sangkan nu dibuina lantaran korupsi mah ulah dibéré rémisi. Maksudna sangkan, susuganan, matak kapok ka nu séjén. Tapi dikitukeun téh para koruptorna teu tarima. Mangkaning maranéhna lain jalma joré-joré, lolobana mah kungsi nyekel kalungguhan anu penting dina pamaréntahan. Tah, Priyo Budi Santoso gé nepi ka usul ka Presidén sangkan para koruptor ulah diiwalkeun tina rémisi téh sabada lolongok ka panjara Sukamiskin. Ayeuna mah geus ditetepkeun Sukamiskin téh jadi panjarana para koruptor. Di Sukamiskinna nu ditepungan ku Priyo téh nya aranjeunna, anu lain jalma joré joré téa. Diantarana aya Hari Sabarno anu kungsi jadi Mentri Dalam Negeri dina pamaréntahan Presidén Suharto. Barang surat ti Priyo anu dituju- keun ka SBY téa kanyahoan ku pub- lik, atuh langsung harita kénéh ribut. Kumaha ieu téh teu puguh? Ongkoh cenah geus kedal ucap arék ngabasmi korupsi. Ari ayeuna anu karorupsina kalah disina dikurangan hukumanana. Aya kalimah anu jolna ti masarakat tur ditujulkeun ka SBY jeung kabinétna. Kadé, ulah éléh ku koruptor, cenah. Naha bakal bisa kitu koruptor ngéléhkeun Presidén? Aya carita ngeunaan Presidén John Fitzgerald Kennedy (JFK), anu kaungkab sabada anjeunna pupus aya nu némbak di Dallas téa. Salasaurang anu deukeut ka kula- warga Kennedy téh Frank Sinatra, biduan anu mashur téa. Kulawarga Kennedy téh pada ngajénan ku saréréa. Moal samata-mata Frank Sinatra bisa deukeut lamun manéhna ogé ngan sakadar biduan. Sakali mangsa JFK téh rék ngan- jang ka hiji tempat. Lantaran deukeut jeung Frank Sinatra téa, nya Frak Sinatra téh dikumahaan. Lan- taran JFK embung saré di hotél, cing pangnéangankeun kira-kirana pantesna ngéndong di saha. Dikumahaan kitu, tangtu wé Frak Sinatra gé bungah jeung reueus. Pondokna carita, JFK gé satuju kana usul ti Frank Sinatra, yén engké téh bakal saré di imana si Anu. Pitéréheun pisan kana jung indit, Bob Kennedy, adina JFK anu jadi Jaksa Agung, ngabéjaan ka lanceukna yén anu rék dipaké ngén- dong ku JFK téh imahna salasahiji mafia. Lantaran katimbang bakal jadi picacapékeun ka hareupna, nya harita kénéh diputuskeun yén ngén- dongna JFK téh moal jadi di dinya. Lumrah lamun sanggeus ngadéngé kitu Frak Sinatra ngadadak katarajang seueul angen anu pohara. Komo deui anu boga imahna. Hanas geus cuih ka saréréa bakal diéndongan ku Presidén, kari- kari ahirna teu jadi. Asa dihina ari dikieu kieu teuing mah. Piraku aing kudu cicing baé. Cacing gé ditincak- tincak teuing mah bakal paéh. Naha éta kajadian téh aya patula patalina jeung ditémbakna Kennedy di Dallas téa? Taya saurang gé anu bisa mastikeun lantaran urusan JFK maot lantaran ditémbak téa, nepi ka ayeuna masih kénéh dianggap goib. Euweuh anu bisa mastikeun, kaasup Kejaksaan Agung, saha nu némbak- na jeung naon sababna. Enya aya ari anu ditéwak mah, Lee Harvey Os- wald. Tapi saha anu rék percaya jalma pantar kitu, ti tentarana ogé dipecat, nepi ka bisa maéhan Presidén Amérika Serikat anu sakuriling bungkingna didékéng ku para pengawal anu sakerejep gé tara ngajalankeun tugas bari nundutan. Lamun kitu babandinganana, naha maké kudu sieun, apan di urang mah euweuh mafia, lin? AM Manglé 2435 3
  4. 4. 4 Manglé 2435 Bupati Ninggal- keun Basa Sunda Sampurasun! Saum Romadon, geus nincak welasan. Hartina sok teu karasa, moal lila deui, nincak lebaran. Tatahar mudik lebaran. Aya pangalaman nu beda upama mudik lebaran teh, diantarana dina sual basa. Sapertina wae, upama solat Id di kam- pung di tatar Sunda Ciamis, sok biasa memeh solat teh sok aya biantara ti Bupati Ciamis. Taun kamari mah, biantarana rada aneh. Anehna, naha biantara Bupati bet make basa Indonesia, henteu make basa Sunda, basa urang Ciamis. Terus terang simkuring kerung jeung rada sebel ka pa- mingpin nu gagayaan amanat pidato make basa Indonesia. Tah, sugan jeung sugan, simkuring mah usul ka para bupati, hususna di tatar Jawa Barat, iwal Cirebon jeung Indramayu, ulah isi lamun make basa Sunda, basa urang sorangan. Lantaran lamun bupatina teu ngarasa reueus ku basa Sunda, asa kacida teuing. Sakitu wae Nyi Ma- ngle. Hatur nuhun kana perhatosanana. Wassalam, Hilman Ujungberung Badung WAWARAN Dina mayunan Boboran Siam 1434 H (Lebaran), medalna Majalah MANGLE aya parobihan. Dina sasih Agustus 2013, nu kedahna 5 (lima) nomer, janten 4 (opat) nomer. Parobihanana, nyaéta: 1. Edisi Mapag Lebaran, No. 2435, medal saperti biasa. 2. Edisi Nomer Lebaran No. 2436, Manglé medal janten dinten Salasa, 1 Agustus 2013. 3. Kemis, ping 8 Agustus 2013, Manglé henteu medal. 4. Manglé 2437, medal deui Kemis 15 Agustus 2013 sareng saterasna sakumaha biasa Sakitu wawaran parobihan medal Manglé. Mugia ka uninga ku sadayana. Bandung, 10 Juli 2013 Redaksi
  5. 5. Masarakat perlu kaatik bisa nga- banding-banding karya sastra mu- tahir jeung karya sastra samemehna. Pikabungaheun, antoloji sastra Kanjutkundang nu medal taun 1963 ayeuna dicitak ulang. A ntoloji Kanjutkundang disusun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, anggeus taun 1959, tapi karek medal taun 1963. Me- mang disusun ku duaan, “Namung Ajip nu pangseueurna marios mah”, kitu ceuk Rusman sababaraha puluh taun ka tukang. Ieu antoloji mangrupa kumpulan prosa jeung puisi ti 42 pangarang, ngurung waktu sapuluh taun sabada perang (1949-1959). Bisa disebut antoloji sastra antar generasi, coba wae dimimitian ku karya Caraka nu lahir taun 1902 nepi ka karya Ayat Rohaedi nu lahir taun 1939. Matak narik, dina ieu antoloji bisa kabaca karya pangarang nu keur tumu- wuh saperti Wahyu Wibisana jeung Simon Suminar (ngaran samaran Iskandarwassid) jeung pangarang nu geus nepi ka puncak saperti Caraka, Syarif Amin, Sayudi jeung Tini Kartini. Lian ti kitu, kabaca oge karya panga- rang nu satuluyna ngiles, saperti Unus Sur, Ida N.Lab (Balnadi Sutadipura) Tan Bie Hun jeung Rachman O.M. Padahal, tembong Balnadi nulisna sakitu lancarna ( carpon misteri Aya “Bagja” Teu Daulat), komo deui Rach- man O.M, gaya nulisna kaitung maju, ngaluncatan jaman harita ( carpon Hana). Matak hanjakal, kunaon maranehna henteu nulis deui? Satuluy- na, tetela karya panulis wanoja saeutik pisan, saperti bisa dikira-kira tina ngaranna, Tien Wiradikusumah (sajak- na Ka Mana “Kuring” Nu Kuring?), Ati WR (carpon Telepon jeung sababaraha sajak), Tini Kartini ( carpon Ulangtaun, Surat, Jurig). Atuh meureun nu bisa disebut istimewa, pedah satuluyna leuwih sohor minangka panulis drama tingkat nasional, kabaca oge karya Utuy T. Sontani (sajak Sangkuriang, carpon Gambar, Si Kabayan Dina Poean Lebaran, sempalan opera Sang Kuri- ang). Perlu Antoloji Sejenna Tangtu masih keneh bisa disawala- keun, naha antoloji Kanjutkundang teh memang mangrupa sakitu-kituna kumpulan karya pinilih dina mangsa sapuluh taun sabada perang? Boa-boa rea keneh karya sastra waktu harita nu can kaayak sarta satuluyna bisa diasup- keun kana eta antoloji? Nu matak hal sarupa kitu teh estuning mangrupa tangtangan pikeun nu haat nyusun an- toloji sastra Sunda sejenna. Beuki re- nung medal sababaraha hiji antoloji sastra, pan bakal leuwih alus keur masarakat sastra. Satuluyna, antoloji Kanjung- kundang teh disusun tina hasil metikan karya pangarang nu medal dina sababaraha media jaman harita saperti Kiwari, Warga, Sunda, Pang- hegar, Sipatahoenan, Tjandra, Mangle, Siliwangi, Panglayang jeung Kalawarta Lembaga Basa jeung Sastra Sunnda.Tah, sabada harita, nincak taun 6oan tuluy nepi ka ayeuna, rea medal(keneh) media Sunda saperti majalah Sunda, Mangle, Langensari, Sangkuriang, Kalawarta Kujang, Tjam- paka, Sari, Gondewa, Galura, Cupu Manik, Sunda Midang jeung media sejenna. Tangtu wae, sababaraha karya pangarang kaitung pantes mun dikumpulkeun dina antoloji sastra. Contona, Caraka nulis keneh dina Langensari, lian ti maruncul panulis anyar saperti Yus Rusiana, Karna Yudi- brata, Saini KM, Usep Romli HM jeung nu lianna. Kaasup tangtuna oge Moch Rustandi Kartakusuma, pangarang nu geus lila icikibung nulis dina basa Idonesia, tuluy nulis dina basa Sunda. Cindekna, kaitung rea tulisan nu bisa dipilih tuluy dikumpulkeun dina buku antoloji. Perlu Dibageakeun Jelas, antoloji sastra Kanjut- kundang nu munggaran diterbitkeun ku Bale Pustaka, Jakarta (1963) sarta ayeuna dicitak ulang ku Kiblat Buku Utama (2013) kaitung penting tur perlu pada maca ku generasi kiwari. Kukituna, saperti nu dipiharep ku nu nyusunna, generasi ayeuna bisa ngabogaan perspektip enggoning nga- banding-banding karya sastra Sunda ayeuna jeung karya samemehna. Sanajan kitu, lain taya cacadna, dina citak ulang Kanjutkundang ayeu- na kapanggih sababaraha salah citak, atuh riwayat hirup sababaraha urang pangarang perlu diedit deui kulantaran ditambahan ku waktu pupusna. Conto- na, matak aneh, disebutkeun panga- rang Unus Sur dilahirkeun 13 September 1936, pupus 7 Pebruari 2007, tapi aya kalimah “ Ayeuna masih mahasiswa di Departemen Kimia- Bio- logi ITB”. Hal saperti kitu kapanggih oge dina riwayat hirup pangarang se- jenna. Atuh pupusna Sahuri diserat taun 1966, padahal sakaterang pairing- iring sareng pupusna Sayudi ( dina ieu antoloji diserat taun 2000).*** (kk) Citak Ulang Sabada Lima Puluh Taun Rancagé Judul : Kanjutkundang, Prosa jeung Puisi Sunda Sabada Perang Panyusun: Ajip Rosidi, Rusman Sutiasumarga Panerbit: Citakan ka I, Balai Pustaka, Jakarta, 1963, edisi Kiblat Buku Utama, Citakan ka I, Mei 2013. Manglé 2435 5
  6. 6. K ecap “mangkalan’ kawasna waé dikunjal tina mangkal, anu hartina pindah tempat saheulaanan pikeun migawé hiji pagawéan. Tujuan mangkalan dina ieu tulisan, patalina jeung ngu- rus sawah, nalika umur paré anu dipelak masih kénéh genep bulanan, anu disebut usum morékat jeung taun kali téa. Paré anu dipelakna lain paré hawara kawas jaman ayeuna anu umurna ngan saratus poé, tapi paré hawara batu, bangawan atawa pandanwangi anu umurna teu ku- rang ti 6 bulanan. Ti mimiti ngabaladah atawa rubuh jami tepi ka tandur jeung ngarambét mah sawah teu kudu di- tungguan. Réngsé ngarambét mindo (=ngarambet anu ngadua- kalian) mangsana gedé paré maju ka cul-cel tug tepi ka beuneur héjo, perlu meunang perhatian ti bapa jeung ambu tani. Ngajaga katut ngariksa, bisi paré digorogot si monyong, ditapuk jeung disedot hama wereng. Dimana aya tanda- tanda awal pibahayaeun, ambéh bisa téréh diungkulanana. Mun geus cunduk kana waktuna mangkalan, Abah tataruka ngoméan deui saung sawah. Ti- hang-tihangna diwewegan, hateup eurihna ditambahan bisi aya nu bocor atawa dipaké nyayang sasatoan. Saung ranggon kaasup anu teu luput tina panitén, da sawaktu-waktu diperlukeun pikeun nyalayakeun pipikiran sabot nunggu cundukna metik hasil tatanén. Ranggon anu biasana misah jeung wawangunan saung, diperlukeun deuih waktu tunggu pibuateun, tempatna leuwih luhur ti saung sangkan awas ka sakabéh palataran sawah, minangka “menara pengawas”-na. Ti saung ranggon, tali anu ranteng dikenyed- kenyed ngahuyah-huyah nyingsie- unan manuk jeung ngarigig-rigig bebegig sawah sangkan manuk ar- incah tina kotakan sawah. Teu kali- wat tungku batu di dapur saung mimiti dihurungkeun deui, sangkan reungit nyaringkah nga- jauhan. Sajaba paranti Ambu popo- lah téh, dapur saung dipaké mun wanci isuk, atawa peuting-peuting ngadon siduru bari mubuy sampeu meunang ngarabut tina galengan, maturan nyuruput bajigur atawa bandrék maké gula kawung tulén. Sanajan milu marengan Abah jeung Ambu mangkalan téh ngan ari waktuna pakanci, panineungan- ana natrat tepi ka ayeuna. Peuting- peuting lalangkarakan di ranggon saung, dialokan ku sasatoan peu- ting nu patémbalan manyanyi. Bulan mabra di langit nu ngalamuk paul, dibaturan tingkaretipna cika- cika luhureun kotakan sawah. Di tebéh kalér ngajungkiring Pasir Mangkalan Saung Ranggon 6 Manglé 2435
  7. 7. Béntang matak waas titingalan. Mun angin ngadudud tarik, sora kolécér tingjaredud di unggal juru pasawahan. Paingan ceuk Abah harita, nyaung-nyaung bari mangkalan di sawah ogé bisa di- jadikeun lahan tadabbur alam dina raraga mikacinta alam bari nafaku- ran kakawasaan Gusti Alloh SWT..... Mangsa paré beuneur, sapangeusi imah dikerid peuti, atuda kana dibuat ngan ukur mimingguan deui. Dalah kuring jeung Ki Lanceuk ogé diparéntah ku Abah, samulangna sakola téh langsung ka saung, térékél naék kana saung ranggon, ngenyed- ngenyed tali bebegig ngagebahan manuk sawah nu sok maokan paré nu keur sumedeng kumecrot. Isukna rék dibuat, minangka puncak acara mangkalan. Abah tataruka leuwih rongkah natahar- keun sakur nu diperlukeun. Diban- tuan ku panyawah petingan, Wa Acang anu nataharkeun kaperluan “upacara” kayaning mitembeyan jeung gék-gékan tatacara nyuguh ka karuhun anu sasajénna di- teundeunan dina tempat husus. Mangkalan dianggap lekasan, mun hasil tatanén geus dipoé, diteruskeun kana acara mangkék. Mun paré geus bérés dipangkék, dikunjalan ka lembur diasup-asup- keun ka leuit keur nyambung hirup patani katut kulawargana sataun ka hareup tepi ka mangsa ngolah sawah deui. Kiwari mah tatacara ngurus sawah geus loba bédana, nyakitu deui kabiasaan mangkalan geus musna. Geus euweuh patani anu mangkalan, sabab usum molah sawah kiwari mah singget pisan. Ti mimiti tandur tepi ka panén jeung tandur deui téh ngan kurang leuwih saratus poé. Lahan anu tadina ngan sataun dua kali digarap, dipeleter jadi opat kali, taneuh teu dibéré nyeunghap pikeun reureuh. Pikeun ngaronjatkeun deui kasuburan, hantem dibérak ku pupuk pabrik, kaasup pestisida keur ngabasmi hama. Akibatna, lain hama waé anu musna tapi sakur pangeusi sawah nungtutan ngariles teuing ka mendi. Kini-kini kuwang-kuwang, asin gétok peupeundeuyan geus tara kapanggih deui; écéng-génjér na kotakan, antanan dina galengan geus teu baretaheun hirup, dalah belut anu bihari mah bisa dikukuy, kiwari mah sok rajeun manggihan luar-léor mangsa beurang, siga nu horéameun atawa meureun teu kuateun mubus deui ka jero leutak sawah. Sok hayang malikan mangsa lawas. Ngajakan kulawarga, utama- na mah barudak nu keur sumedeng mekar jiwana. Ngan hanjakal basa barudak jeung indungna diajakan mangkalan téh bororaah haripeut ngaheueuhan, dalah diajak wawanohan jeung tatacara ngurus sawah ogé siga teu puruneun. Manakomo meureun kukucupra- kan dina leutak sawah, bobolokot ngarambét mindo. Ditungguan ka- hayang daratang ti maranéhna, di- dadago-dago karahka tilewo, da rajeun barudak ngurihit ka indung- na ogé ari harayang jalan-jalan ka pasar swalayan, atawa laha-loho ka mol (mall). Kabiasaan mangkalan ngan kari panineungan lawas, dipitineung ku anu kungsi ngalaman, kiwari ngan bati waasna.*** (Endan Sukanda, guru SMAN 3 Kota Sukabumi). Pasawahan Tatar Sunda Manglé 2435 7
  8. 8. Muhamad Faisal Palangsiang Boa gunung téh geus capé nyawang mumunggang mamanggul kamelang Boa gunung téh hayang nyalsé nempo tutugan nu saban poé melak kahariwang Boa gunung téh eureun gawé hayang napak dina léngkah nu beuki rongkah Boa laut téh geus liwung nepungkeun ombak nu capé ngagogolak Boa laut téh keur humaregung saban poé ngagedur karang tagiwur Boa laut téh ngadak-ngadak silung unggal poé kosta kana pamustunganana Boa langit nu tan watesan ngemu amarah nu beuki motah Boa langit nu pinuh ku jejempling nyidem ringkang nu ngawiwirang Boa langit nu linduk ku du’a-du’a ngarangrangan cimatana nu karaha : Horéng mangsa geus tepi kana hancana 2013 Bubulak Hujan masih kénéh muguran niruk jajantung dina tutugan waktu du’a-du’a rompang ngabarungsinang sedeng ibun juuh disimbeuhan mangsa maseuhan saban tatu dina tungtung kalbu urang ngan kari nungguan sésa-sésa waktu nu kapalidkeun cimata tina detik-detik nu laligar Manglé 24358
  9. 9. Halimun masih kénéh ngungun nyimbutan rarasaan dina mumunggang mangsa urang néang ringkang nu lewang sedeng peteng anteng nguliweng dina implengan marengan karaha nu nyaliara kana lalampahan bet léngkah ngadadak hégak ngudag-ngudag impian riwan palangsiang peuting geus teu dihibaran deui jejempling Angin masih kénéh tigin niiran lelembutan dina lamping wanci wirid-wirid leungiteun ruruhitna sedeng kakeueung ngahiuk kalangkang wirang gumulung jeung layung nu panungtung naha sukma bet teu walakaya basa pitapak nincak bubulak nu tetengerna ngamimitian mangkak 2013 Pafésta Keur Dwi Hatur nuhun keur salira taman nu baheula jempling bet ayeuna humariring saban nyeri nu teu weléh ngajamparing jadi dalingding talkin aya nu halimpu tibatan lagu, aya nu rumahuh ngajakan luluh Hatur nuhun keur salira taman nu lawas gudawang bet ayeuna gumiwang saban tatu nu dipelak marangkak jadi lampu-lampu kalbu aya nu gumenclang tibatan lumar, aya nu raang nyingraykeun samar Hatur nuhun keur salira taman nu lila bayeungyang bet ayeuna ngahibaran saban raheut diseungeut jadi geugeut nu tinggulugur na jajantung aya nu ngabebela tibatan tresna, aya nu sadrah ninggalkeun raga Geuning sukma ditalikung halimun nu ngelun ka pangparatan mangsa tapi dina tungtung waktu, layung bakal nungtun urang kana lamping nu pangweningna. Hatur nuhun keur salira 2013 Manglé 2435 9
  10. 10. 10 Manglé 2435 Bagian 166 Peuting ka-176 Najan anak teu ngagugu kana ka- hayangna, Raja Syah- raman tetep ngarasa nyaah. Ambek sotéh sa- harita, ukur waktu dina gempungan. Sanggeus bubar riungan mah amarahna sirna. Malah, timbul rasa nyaah, sieun anakna kumaha onam. Reup peuting, Raja Syahraman langsung ka pangsaréanana. Satékah polah ningtrimkeun di- rina. Tapi, karepna kitu téh teu matak ningtrimkeun batinna. Buktina, raja teh kalah gulinggasahan. Pitundu- heun laleungitan. Ari Komarujaman, mémang ngarasa tung- gara. Ras inget kana kalakuanana, aya rasa kaduhung, hanjakal nolak kahayang kolotna. Ngan, da geus kitu kajadianana, kari tumamprak kana sagala rupa nu baris karandapanana. Reup peuting, Komarujaman gancang muru juru rohangan. Mimiti diuk nyarandé kana tembok, saterusna mah ngagoledag kana ka- surna. Ngan, nya kitu teu bisa reup peureum, da haténa mah ngacacang ka jauhna, ngalanglang tem- pat-tempat nu biasa ka- anjangan waktu sukan- sukan jeung babaturan- ana. Bray beunta, inyana rarat-rérét. Nu tembong, ukur tembok panjara nu kacaangan lilin nu ukur reyem-reyem. Ngan, ahirnna mah éta roha- ngan téh poék lantaran lilinna pareum’ Peuting ka-179 Sél nu ditempatan Komarujaman, kaasup rohangan nu geus kacida kolotna, Di dinya téh aya sumur nu geus heubeul naker. Ujaring carita, éta sumur téh ditempatan jin awéwéna. Ngan, lain jin samanéa, da kaasup putri jin anak raja nu kawentar di dunya kajinan mah. Biasana jin awéwé nu ngaranna Maimunah téh, ukur kaluar tina sumur waktu peuting. Matuh, mangsa janari. Nya geus di luar mah, inyana téh sok ngalayang kakalaya- ngan di awang-awang nyaba ka tempat’tempat nu dipikahayangna. Waktu éta jin kaluar ti sumurna, ngarayap kana biwir sumur, manéhna héran. Kituna téh, lan- taran tara-tara ti sasari. Barang lol sirahna ka luhur, témbong ku dirina, aya cahaya di lebah juru. Padahal, biasana mah tara aya nu kawas kitu. Nu tembong téh, me- mang cahaya lilin nu ngan hiji-hijina deui nu hurung nu ditempatkeun di gigi- reun Komarujaman. Ningali cahaya di éta tem- pat sarta nempo nu ngarengkol deukeut lilin téa, jin téh panasaran. Jin ngandeukeutan. Brek deku lalaunan naker kawas nu sieun ngabarubahkeun nu keur saré. Leumgeunan, ngaragamang, ngeyang simbut nu nutupan beu- ngeut Komarujaman. Sanggeus ningali beu- ngeut Komarujaman, jin téh ngahuleng. Ceuk pikirna, éta manusa téh kasép naker, bangun lain jalma joré-joré. Jorojoy timbul kakarunya, da apal mun aya manusa di éta tempat tangtuna gé nu keur nandangan tung- Ngalereskeun Neda pangapunten saréhna carita sarebu samalem dina nomer 2434 ngalangkungan sabagian (bagian 167), kumargi kitu kasanggakeun bagian 166 anu insya Allah minggu payun kasambung deui bagian 167 supados bapa kalih ibu ngaguluyur maosna. Hatur sewu nuhun Redaksi
  11. 11. Manglé 2435 11 gara. Peuting ka-180 Ningali paroman Komarujaman, jin awéwéna téh ngarasa karunya. Térétét dina haténa hayang mélaan éta nonoman, sarta jangji rék nalingakeun éta anak raja tina rupa-rupa gangguan boh manusa boh sabangsa jin saperti dirina. Eta jin, mémang sohor di dunyana mah. Sakti mandraguna pilih tan- ding. Najan awéwé, moal éléh ku jin lalakina. Malah, kagagahanana gé pada mikagigis. Réngsé neuteuep beu- ngeut Komarujaman, éta jin neruskeun lalampahanana. Biasa kakalayangan luhureun tempat-tempat padumu- kan manusa. Keur anteng ngumbar paningalna, kadengeun di lebah han- dap aya kiplik jangjang nu keur manéhna mah moal samar deui, éta sora téh datang tina keplek jang- jang bangsana. Rét ka handap, tétéla aya nu keur nyeuleuyeung meulah mega. Ningali aya bangsana, siet wéh éta jin awéwé téh nyirorot ka handap. Ukur sakedét nétra geus aya hareupeun nu dipegat. Jin nu tas lumampah sarta angkanana mah rék balik ka tempatna ngarandeg. Reuwas aya nu ngajega hareupeunana téh. Ngan, leuwih kagét horéng éta téh jin nu biasa jadi bukur catur bangsana upama keur nyaritakeun kasakstén bangsa sasamana. “Hey, ti mana andika, Danasy?” ceuk Maimunah nyentak. Jin lalakina, nu katélah Danasyi kacida reuwaseunana. Ngomongna gé arapap- eureupeup. Tayohna bakakating ku sieun. Ngan, saterusna mah nu dipegat teu neger-neger manéh, sarta nyarita sa- olah-olah ngingetan yén dirina gé geus ngagem agama Islam. Pok Maimunah nyarta deui, ngaenyakeun kana pangakuan éta jin. Tapi, cenah, lain hartina manéhna rék ngabebaskeun paripolah Danasyi. Cindekna, cenah, mun aya nu ngalanggar aturan, tangtu manéhna baris méré hukuman. “Hemh, upama kitu, sok caritakeun tempat mana waé nu tas di- datangan ku andika?” tanya jin awéwéna semu maksa. Ngadéngé Maimunah bangun panasaran, jin lalakina téh gancang nyarita. Nyebutkeun tas ngadatangan tempat nu ahéng kacida. “Sok atuh caritakeun tempat naon éta téh?” Ngadéngé panaya kitu, Danasyi teu waka nga- jawab. Manéhna kalah ménta tanjakan. Heug cenah, rék nyaritakeun pangalamanan, tapi, panuhun hayang boga surat ti Maimunah nu nétélakeun manehna ulah digannggu ku saha waé kaasup ku jin nu ngancik di lautan. “Ih, kalah loba carita!” “Leres, kitu kahoyong teh!” “Heug atuh!” ceuk Maimunah. Ahirna, jin lalaki teh sapuk. Rek nyaritkeun pangalaman satarabasna. Malah, mun tétéla di ahir caritaanana sulaya tina buktina, sanggup nandan- gan hukuman ti Maimu- nah. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2435 H iji poé Arsali nyari- takeun ka Haji Sam- sudin: “Tuan, abdi téh sanés teu nuhun, sanés teu tarima kana pangangken Tuan Haji, nanging éra, asa diogo didama-dama. Upami aya pi- welas Tuan Haji, abdi hayang dijeujeuhkeun dipaparin padamelan. Kitu gé hayang di- widian wangsul heula ka lem- bur néang anak-bojo. Wangsul ti ditu, mangga dipernahkeun kana naon-naon ogé.” Jawab Haji Samsudin: “Sukur manéh boga pikir kolo- teun kitu. Ari pacabakan manéh di lembur kana naon?” Arsali: “Teu kantenan, sacabak-cabak baé. Usum ngahuma, sok ngahuma, bada dibuat kula-kuli di dayeuh. Ari mios sok ngabantun awi atanapi kai, jualeun di dayeuh.” Haji Samsudin: “Kai atawa suluh?” Arsali: “Kai, pitihangeun. Lembur téh caket ka Ciujung, bawahan Cilélés pakemitan Parungkujang. Leuweungna weuteuhan, arang kasaba jalma wantuning geledegan, maungna gé sanggem nu parantos ningal mah sami sareng kuda gedéna. Kaina laban sareng rasamala kahot. Kai sanés gé seueur, sapertos kihiang, angsana, bungur, tun- dun sareng rupi-rupi deui.” “Kumaha dibawana ka dayeuh? Naha aya jalan gedé kitu?” cék Haji Samsudin. “Jalan mah aya, nanging awon; ku roda moal aya nu kit, lalakon tilu dinten nanjak- mudun. Abdi mah sok jalan cai; kai atanapi awi téh di- damel rakit, dianggo malid- keun manéh, ngalun tilu dinten upami arus nuju deres, nanging upami nuju leuleuy mah tampolanana lima din- ten, jabi sok rajeun kandas lebah babantar, kapaksa di- hoyong.” Haji Samsudin: “Jadi atuh manéh nyaho kana urusan kai nya? Kumaha ari batu, bata, keusik, semen, kenteng, jeung sapapadana?” Arsali: “Duka atuh, pang- inten sakatimu-timuna pan- gartos tukang témbok baé, rarajeunan jadi kenék bas. Sakadarngabentenkeun bata padet atanapi bata béar mah aya ogé katerang; atanapi semen nagri sareng semen landarung.” Haji Samsudin: “Ih atuh meujeuhna sakitu gé. Tapi naha maké hayang boga pacarian téh di dieu, di Bandung, lain di lembur sorangan, umpamana di Rangkasbitung atawa di Serang.” Méméh ngawalon, Arsali ngaheruk rada lila, bangun susah, pok ngajawab semu ngarahuh: “Lah, Tuan Haji, di lembur mah teu aya pangin- ten. Ma’lum jalma téa, ka urut parantéan –dibui téh awahing ku awon milik baé, dipitenah deungeun! Munggah jalma réa, moal mapay ka dinyana, anggeus ku ngecap “sésa bui” baé sapertos ka runtah di jar- ian. Diayana nu nga- mulyakeun, moal leupas ti curiga sareng sak. Di mana jadina kasenangan ka diri abdi?” “Enya bener,” walon Ki Haji, “karéréanana jalma téh ngan sok inget kana goréngna baé. Kieu baé atuh ayeuna mah. Bisi rék balik, jung pagéto, kabeneran Asep Rach- man arék ka Batawi, jadi manéh bisa ngarencangan suan kami, milu ngajaga da- ganganana. Di Batawi kawasna Asep mah satengah bulan, bisa jadi leuwih. Manéh bisa nyelang balik, aras-urus di lembur. Lamun Asep balik, manéh milu deui.” Arsali marahmay bawan- ing bungah, ngucap nuhunna gé sababaraha kali. Isukna, aras-urus surat katerangan jeung bebekelan ajangna jeung bawaeun Asep Rachman. Pagetona arindit; opat poé di jalan, nepi ka Batawi, moro numpang di Kimas Japar, sudagar asal ti Palembang sobat Haji Sam- sudin, di kampung Matara- man. Geus bérés badami piba- likeun, Arsali mah sirikna hen- teu ngadudud indit moro meuting ka Benteng (kitu dise- butna Tanggerang harita) di baraya, tukang témbok di dinya. Awahing hayang gancang, ti Tanggerang mah Arsali nyéwa kuda ka lemburna. Sabulan ti harita, Arsali geus aya deui di Bandung, saanak-bojona, ngeusian imah di Gardujati; ku Haji Sam- sudin dijeujeuhkeun kana ngabantuan jual-beuli bahan wangunan, nuturkeun Ujang Tamim, lanceuk Ujang Kusén. Puguh baé Ujang Tamim téh asa boga deudeul, dibaturan ku jalma réa kanyahona tina bab bahan wawangunan.*** 3 { 5 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2435 13 Dina katompernakeun abad XVIII nepi ka nengah abad XIX, pamaréntah jajahan di urang ngayakeun rupa-rupa aturan anyar geusan lancarna paparéntahan. Di antarana, sabada Pakumpulan Kumpeni Hindia Wetan (Vereenigde Oost-Indische Compagnie atawa dipondokeun jadi VOC) dina taun 1799-1800 mas- rahkeun sagala rupa kakawasaan ka anu sok disare- but Pamarentahan Hindia Be- landa téa, di tanah Sunda ngalaman pirang-pirang roba- han kanagaraan. Diantarana, ngayakeun “Aturan-Priangan” anu dise- but “Prenger-Stelsel” téa. Wewengkon Galuh, Pa- manukan, Pagaden jeung Bogor, “dipasiheun” ti tanah Sunda bagian kidul. Éta bagian kitul disebutna “Pre- anger-Regentschappen.” (tangkal kopi anu pohara gedéna) Banten (ti jaman Daendels keneh) diheureutan wates-wates anu tadina ngabawa Mawuk, Tanggerang, Jasinga, Leuwiliang, parat nepi ka Citatih (Cibadak) téh diritukeun semet Cibareno jeung Cidurian. Geus ngababarkeun patai- marga, sawatarakabupatian di tanah Sunda dileungit-leun- gitkeun, diredongkeun ka kabupatian nu leuwih penting geusan pamarentah jajahan. Geus kapentingan cari-un- tung, sawatara dayeuh kabu- patén anu “jolok” dipindah-pindahkeun ka béh kalér saeutik, kayaning: Lebak ka Rangkasbitung, Cikundul ka Cianjur, Ukur ka Bandung, Limbangan ka Garut, Suka- pura ka Tasikmalaya jeung sapapadana. Jadi, dayeuh Bandung dina taun 1874 waktu kajadian ieu carita téh teu kaitung dayeuh kahot, malah lamun diukur ku jangka sajarah dunya mah kaitung babakan kénéh, kitu sotéh lamun teu diitung ti jaman padukuhan, alam mangrupa tegal upluk- aplak sampalan ucal jeugn mencek, minangka imah téh ukur sawatara saung, hateup eurih tihang awi. Jalan Baraga oge taun 1974 mah surup kénéh ka ngaranna. (baraga nyaéta jalan tengah pasawa- han nu sajalan jeung walun- gan. Nu rada leutik, mangrupa galengan rubak, disebutna jaj- away. Ari susukan nu sajalan jeung baraga atawa jajaway, ngaranna darmaga (dramaga), biasana maké ulu-ulu (koko- coran cai sawah). Jalan Braga baheulana mah dihapit ku sawah kenca-katuhu. Sagigire- unana, aya Cikapundung. Rumah bola kl. Th 1870 di- adegkeun di imah-leutik tung- tung jalan kidul ngaranna Societeit Baraga (méméh jadi Concordia). Bada ruksak ku lini dilandih jadi Braga (Dewa Kasusastraan Jerman Kuno). Kawasna baé éjaan ka-Wa- landa cara, parapatan = prap- atan, paledang = pledang, balubur = blubur, karapyak = krapyak, kalapa = klappa dstr.) Ti harita Bandung téh geus katara yén béda dangiangna, punjul ti dayeuh-dayeuh karesidenan lianna, malah ceuk kolot-kolot harita: isuk jaganing pageto bakal jadi puseur tanah Sunda, Bandung bakal ngalaman heurin ku tangtung, malah cenah bakal ngalaman jadi pancer-buana (kota nu jadi perhatian jeung palemekan saeusining jagat) omong kolot harita, magar majuna dayeuh Bandung bakal ajlok-ajlokan milu jeung windu. Upama diukur ku getering jaman, dina taun 1874 oge kawilang geus ramé tur resmi direndengkeun jeung dayeuh kabupatén pantaranan mah, halalegarna, pikabetaheunana jeung... nu gareulisna. Malah pikeun ahli pelesir jaman harita mah, nya ieu yeuh, nu ngareulisna anu nga- jadikeun asihan dayeuh pangjugjugan ti mana-mana téh, malah geus ti alam harita Bandung mah jadi “kota modeu” téh. Tah ti jaman harita kota Bandung diparaké jalan usaha ku sawatara jalma nu rarujit budina bejat susilana téh. Patukangan-patukangan nu hirupna jadi panglayar bange- nan atawa centeng bunian, sumput salindung nyumpo- nan napsu nu “pelesir” ti harita geus mimiti nga- jalankeun gawé masiat. Jelema nu salawon jeung model Nyi Dampi atawa Si Ab- dullah nu ngabaragujul Nyi Rapiah téh teu saeutik. Geusan ngajaga supaya nu balageur teu kaganggu ku nu balangor, éta nu balangor téh dilarang matuh di kampung- kampung jalma balageur, malah dihaja diayakeun panonoban maké dicirian ku lantera beureum digan- tungkeun di tepasna; dilarang keras kalawan diancam huku- man bérok lamun aya nu ngu- layaban, ngalantrah néangan layan. Tapi bubuhan jelema réa akalna, pulisi-susila téh teu weléh sering “kapalingan” sabab éta nu balangorana “ngencar” sok nyamur. Sawaréh aya nu nyéta agan- agan, dangdan singsarwa ka- menakan diiring ku ngelek tampekan (wadah seupaheun) nanaon. Mun teu kitu, jiga anu heueuh, niron nyi haji, maké mudawarah sagala. Aya ogé anu barangpakéna basajan baé, maké nungtun budak, ambeh dipajarkeun nganteur. Tapi mungguh ku nu ahli saba kobong mah, najan nyeta- nyeta agan malihwarni jadi nyi haji atawa nyamur jadi babu ogé teu weléh katara baé, magar téh katara dina cingeusna, témbong dina lo- goyohna; cenah keupatna jiga magga, lungguh tungkul tapi hayu; ana ngabalieur jiga ngéwa, lain balieur geuleuh, tapi isarah hiap tuturkeun. Ku nu jadi bupati Ban- dung, awéwé bangor nu kato- hyan sabot nyamur ngulayab sok sina ditangkep, dibawa ka kantor kabupaten pikeun di- cirian. Ari petana: pipina nu kenca ditojos ku jarum diru- pakeun titik nungku tilu, tuluy dibalur minyak meunang nga- haranggasuan, jadi cara tapak tatu dina pigeulang sawatara serdadu atawa matros geun- ing, saumur hirup gé moal beuang dipupus! Meunang nyirian, dikerem di pang- berokan tilu poe tilu peuting. Teu wudu rea nu kapok, sabab najan nyamur oge tangtu aye- una mah kaciri. Sagala rupa anu dicari- takeun di luhur, nu ngarang teu pindo gawé, minangka bubuka sangkan urang babari nuturkeun lalakon Nyi Rapiah, popotongan Ujang Kusén, bojo Aom Usman nu kolot, meunang ngiwat Si Ab- dullah jaman migunung di kebon kopi Sekeawi. (hanca)
  14. 14. P idawuh Alloh Swt. “Dzaalikal kitaabu laa roiba fiihi hudan lil muttaqin,” hartosna, Ieu kitab (Al-Qur’an) téh, henteu aya kamangmangan dina eusina, pi- tuduh (hidayah) pikeun jalmi-jalmi takwa. Alhamdulillah, ayeuna urang tiasa deui miéling nuzulul qur’an dina taun 1434 H. Teu di kota teu di désa, umat Islam teu kendat nga- gungkeun Alloh ngalangkungan aosan-aosan kalam illahi. Mudah- mudahan, urang kalebet golongan jalmi takwa nu salawasna ngagung- keun al-qur’anul karim. Dina acara miéling nuzulul Qur’an atanapi turunna al-Qur’an, biasana sok direuah-reuah ogé ku rupa-rupa kagiatan kaagamaan. Ngan naon sababna, saréngséna miéling, kaimanan umat, seueurna mah sok angger, teu aya robahna? Miéling nuzulul Qur’an lekasan, tapi nu maca Qur’an, nu paham lain kalah nambahan. Rupina, ieu nu kedah janten eunteung urang sadayana. Boa-boa, alatan kitu téh, loba jalmi nu miéling tapi haténa mah teu éling. Sangkan urang éling, mangka Al-Qur’an jadikeun minangka hudan, pituduh, sangkan hirup urang henteu sasar. Naon sababna manusa perlu pituduh? sabab hirupna manusa, éstu moal cicing dina hiji kaayaan, aya kalana dina senang aya kalana dina susah. Geus jadi sunatulloh. Laqod holaknal ingsanaana fi kabad. Saéstuna manusa téh ku Kami diyugakeun dina kaayaan susah. (QS. Al-Balad: 4). Kitu deui henteu waé nerap di pajabat atawa nerap di nu masakat. Nu humandeuar teu kurang-ku- rang: di warung, di huma, di sakola, di pabrik, di kantor, teu pilih bulu. Margi kitu, al-Qur’an masihan waleranana, sangkan nu bagja kudu syukuran, nu tunggara kudu sobar. Keur bagja kudu béréhan, tutulung ka nu butuh. Atuh nu masakin ogé henteu kudu leutik harepan nepi ka jadi kufur. Sabab jalmi kufur mah, lamun seug hantem diantepkeun, kurang-kurang temah wadi mah éstu matak musyrik kana takdir. Témahna nganaha-naha ka Nu Maha Kawasa, naha iraha datangna kabagjaan anu sajati? Kalan-kalan, lain waé nu ripuh ku haleuah dunya, dalah lamun geus ngurus- keun hirup mah, rata-rata jalma jiga sok nu nanya; saha atuh jalma- na anu kasinugrahan bagja-bagja- ning hirup? Lamun mah satiap jalma nu kumelendang di alam dunya ieu, teu leupas tina pasualan, lésot hiji jol deui pasualan séjén. Tah, dina sasih Romadon ieu, nu mumutkeun dawuhan Kangjeng Rosul ogé 'gufirollohu maa taqod- dama min danbih', bakal diham- pura dosa-dosa nu geus kaliwat, tangtos ulah dimomorékeun. Ngan saha jalmina nu iman tur ihlas? gambaran sadayana aya dina al- Qur’an. Ku margi kitu, dina miéling nuzulul qur'an, tangtos momen ieu kedah janten pikeun ningkatkeun pangaweruh agama Islam jalan keur muhassabatun nafsi. Tos dugi ka mana urang nempatkeun Al- Qur'an? Naha leres jadi cepengan hirup urang? atanapi bujeng-bu- jeng jadi cepengan, pituduh, dalah kanyataan mah dibumi nyalira ogé teu aya al-Qur'an-al-Qur'an acan. Euh, biheung temenan Alloh ma- sing rohmat-Na. Aya deui, saurna ari al-Qur'an mah gaduh, malahan Qur'anna saé, kaligrafi hérang lir emas 24 karat, tapi duka kumaha maosna. Nu aya mah, resep kana hiasan Al-Qur'an nu mantak adem cenah. Pas sumping ka pa Ustad, saurna hoyong pangwurukan murangkalihna, margi ramana teu tiasa iqro-iqro acan. Kumaha upami kitu? Mangga urang uih deui kana Nuzulul Qur'an. Naon atuh nu tiasa janten palajaran kanggo urang? Seueur pisan, diantarana : Kahiji, terang kana agama sareng tauhid. Jalmi tiasa to'at sareng fasik téh gumantung kana terang sareng henteuna kana pi- tuduh-Na. Ari pituduh Alloh ngalangkungan al-Qur'an sareng hadits pikeun mageuhan manusa sangkan nyekel agama Islam. Inna dinna indallohil Islam. Saéstuna agama nu diridoan ku Alloh téh mung Agama Islam. Islam hiji agama ngagaduhan dasar-dasar pokona, nu disebat rukun Islam téa, syahadat, solat, zakat, puasa, Nuzulul Qur'an 1434 H; Miéling Sangkan Manusa Éling Ku Abdul Khalik, M.Ag. *) 14 Manglé 2435
  15. 15. sareng munggah haji. Kitu deui, tina al-Qur'an urang bakal terang kana eusi agama, mana nu meu- nang rido Alloh, mana anu hanteu. Sakumaha tadi ogé, ngan agam Islam wungkul nu dipikarido ku Alloh Swt. Dawuhan Alloh Swt. : “Wa angjalna 'ilaikal kitaba bil haqqi musoddiqol lima baena yadaihi, Jeung kami nurunkeun ka manéh kitab Al-Qur'an anu mawa haq anu ngabenerkeun kana kitab anu saméméhna. (QS. Al-Maidah 48). Nu dimaksad saméméhna téh nyaéta Taurat, Injil sareng Zabur. Kadua, dumasar kana surat al- Alaq, ayat 1-5, Iqro bismirobbikal ladzii kholaq, baca, kalayan as- mana-Na Alloh Pangeran manéh anu geus ngayugakeun. Ieu nuduhkeun sangkan milari élmu. Margi ku élmu, hirup bakal caang. Kangjeng Rosululloh SAW negeskeun, Thalabul ilmi faridotun 'ala kulli muslimin wa muslimat" Milari élmu téh wajib pikeun tiap muslim jeung muslimat, "Uthlubul ilma wa lao bish shin", prak palu- ruh élmu sok sanajan nepi ka nagri Cina. Kitu deui, "Uthlubul ilma minal mahdi ilal lahdi", téangan élmu ti mimiti brol lahir nepi ka liang kubur. "Innamal ulama warasatul anbiya", anu baroga élmu, éta téh ahli waris para Nabi. Dina dawuhan séjénna, Rosul SAW kantos nandeskeun, yén dina poé kiamat téh bakal ditimbang mangsi ulama sareng getih syuhada, kabuktian mangsi ulama leuwih beurat tinimbang getih syuhada. Katerangan séjénna, darajat manusa gumantung kana al- Qur'an. Dawuhan Rosululloh SAW nu hartosna kieu : Innaloha yarfa'u bihaadal kitaabi aqwaama wado'u bihi aahorin. Hartosna : Alloh bakal ngangkat darajat sababaraha kaum ngaliwatan kitab ieu (al- Qur'an) jeung Alloh bakal nurun- keun (darajat) sababaraha kaum séjénna ngaliwatan kitab ieu (Al- Qur'an). Katilu, manhaz al-Hayat sareng washilah al-hayat. Ngalangkungan al-Qur'an urang tiasa terang kana manhaz al-hayat, aturan naon nu wajib, naon nu haram, makruh, sunat, mubah, batal, syah jeung sajabana. Intina ku aturan, manusa bakal terang mana nu kudu di- lakukeun mana nu kudu ditinggal- keun. Margi tadi téa, senang jeung susah, hadé jeung goréng boh sipatna boh tempatna, éta mémang tos sunatulloh. Ngalangkungan Al- Qur'an urang bakal terang kana hukum-hukum Alloh. Hukum bis- nis, aya hukum muamalah, badé solat, zakat, thaharoh jeung saja- bana aya hukumna. Badé ancrub kana dunya politik, aya hukum siyasah. Kanggo kulawarga, aya akhwalusy syahsiyyah, badé kana perang, aya élmu jinayah, kitu deui sareng nu sanésna, sadayana aya dina al-Qur'an. Lian ti Manhaz ogé, al-Qur'an ngajelaskeun yén urang téh dipaparinan al-washilah al-Hayat, sarana hirup, tempat saeusi alam ieu. Bumi, langit, lautan, daratan, pepelakan, ingon-ingon, hawa, nafas, anggaota badan jeung sarana séjénna nu moal kaitung, éta sa- daya anugrah Alloh Swt. Lain syakartum la ajiidannakum walakin kafartum, inna 'adzabil laasadiid. Kitu deui, washilah ieu ogé, henteu cukup ditempatan wungkul, tapi kudu dipiara ulah diruksak. Dho- harol Fasad fil barri wal bahri bima kasabat aidinnas. Kasuksakan di daratan jeung di lautan téh karana leungeun manusa kénéh. Kaopat, amaliah. Al-Qur'an disebatna ogé hudan, pituduh sangkan manusa ulah tigebrus kana picilakaeun, ulah kabawa, kaséréd kana jalan pidorakaeun. Ngalangkungan al-Qur'an tiasa terang, golongan mu'minin, golon- gan muttaqin, muslihin, solihin, so- birin jeung sajabina. Kitu deui aya golongan munafik, fasik sareng go- longan sasar sanésna. Sadayana golongan éta, tiasa kauninga tina sajarah-sajarah manusa dina Al- Qur'an, sapertos nalika Nabi Adam, Nuh, Musa, Isa dugi ka jamanna Nabi Muhammad SAW, kalebet urang sadayana. Lian kitu, du'a-du'a, sami éta ogé kalebetna amaliah. Kumaha du'a nabi Adam, du'a Nabi Ibro- him, Allohuma robbi habli minas solihin, dua nabi Musa, du'a Nabi Dawud dugi ka du'a Nabi Muham- mad SAW. Éta sadayana pituduh nu kedah janten amaliah urang sa- daya. Al-Qur'an dikawitan ku surat Al-Fatihah ngawengku tauhid kaimanan, élmu kaagungan Alloh, hukum syari'at, washilah al-Hayat sareng dasar amaliah. Syirotol ladziina an'amta 'alaihim ghoiril maghdubi 'alaihim waladdooliin. Nu hartosna, (Nyaéta) jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu kénging bebendon ti Gusti, sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar. Ku margi kitu, mangga urang ngeunteung diri, tos dugi ka mana urang ngajadikeun Al-Qur'an. Naha tos janten dasar pikeun ningkatkeun élmuna, ahlakna sareng kaimannana? Margi, jalma nu pengkuh nyepeng al-Quran (jeung hadis) tanwandé salila hirupna moal pinanggih jeung sasar. Mun kahirupan henteu undut kalinduan gedag kaanginan satuhu ngajalankeun paréntah al- Quran dijamin saratus persén, naon anu jadi udagan kahirupan bakal kahontal. Upama kitu, jelas, Qur'an téh teu kénging kaéléhkeun ku koran. Ari koran pangheulana dibaca, ari Qur'an mung sataun sakali, kitu ogé dina tadarusan. Jéntré tur écés, Al-Qur'an téh pi- tuduh sareng al-furqon, nu ngabédakeun mana nu haq mana dolim. Atuh dina sasih Romadon ayeuna, hayu urang mimitian deui, urang resep maca sareng milampah sakumaha pituduh al-Qur’an. Kitu deui, mudah-mudahan, dina Romadon taun ayeuna, urang salawasna dipasihan nur ka- mulyaan, dipasihan marfiroh sareng inayah sareng diluhurkeun darajat kahirupan. Mudah-muda- han Alloh Swt. dina Nuzulul Qur'an ieu salawasna masihan pituduh sareng hidayahNa. Amin Ya Robbal 'Alamin. *** *) Guru MTs. Yayasan Pen- didikan Kalangsari Cijulang Ciamis Manglé 2435 15
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS Ngosok Waos Waktos Saum Patarosan: Assalamu’alaikum Wr. Wb. Tumaros, 1. Upami urang nuju saum, naha saum sunat atanapi saum wajib, naha kénging ngosok waos? 2. Pami nuju saum, kumaha hukumna kekemu sareng ngalebet- keun cai kana pangamung, nalika wudu? Sakitu waé, hatur nuhun. Wassalam, Deni Cipacing Rancaekek Bandung Waleran: Sami-sami hatur nuhun. Urang bahas heula patarosan nu kadua. Aya istilah nu peryogi ka uninga ngeunaan kekemu (kukumur/- kekemes) sareng ngalebetkeun cai kana pangamung dina waktos wudu. Dua padamelan éta, dina hukum Islam atanapi élmu fiqih, umumna disebat istinsyaq. Ieu isti- lah dinukil tina basa Arab, hartosna kekemu (kukumur/kekemes) sareng ngalebetkeun cai kana pangamung dina waktos wudu. Aya dua perkawis anu janten patarosan, nyaéta istinsyak sareng ngosok waos dina waktos saum. Patarosan anu kahiji perkawis istinsyak biasana dilaksanakeun dina waktos wudu (abdas). Patarosan anu kadua biasana dilaksanakeun di luar wudu kalayan disaluyukeun sareng kaayaan atanapi kabutuhan. Anapon istinsyak dina waktos wudu, sapalih ulama, aya anu galebetkeun kana hukum sunat. Dina hartos, sanajan dina ngalaksanakeun wudu teu kukumur atanapi istinsyak heula, henteu jan- ten nanaon, sah wuduna, margi ieu padamelan henteu kalebet fardu wudu sakumaha pamadegan Imam Abu Hanifah, Imam Malik, sareng Imam Syafi’i. Tapi numutkeun pamadegan Imam Ahmad bin Hambali mah istinsyak kalebet kana fardu wudu, margi mangrupa bagéan tina ngumbah raray. Sedengkeun ari ngumbah raray dina wudu kalebet fardu. Sedengkeun pamadegan mayoritas ulama mah, istinsyak dina wudu hukuma kalebet sunat. Margi kitu, leupas tina hukum istinsyak dina wudu, naha kalebet sunat atapi wajib, saéna mah dua perkara ulah dikantunkeun, naha nuju waktos saum atanapi henteu. Paling nu kedah dipahing téh, dina waktos saum, isytinsyak téh ulah dugi kaleuleuwi. Anapon nu ngalebetkeun isytin- syak hukumna fardu, luyu jeung pamadegan nu dumasar kana katerangan ti hadits Rosul Saw: ”Lamun anjeun isytinsyak, prak laksanakeun nu bener-bener sampurna, iwal anjeun keur ngalaksanakeun saum,” (Hadits diriwayatkeun ku Imam anu opat). Upami urang wudu nuju saum, teras nalika isytinsyak aya cai anu lebet kana tikoro, bari teu dihaja jeung teu kaleuleuwi, éta ogé saumna sah. Tapi pami lebetna cai kana tikoro bari dihaja, komo lebet kana patuangan, éta mah saumna batal. Hal ieu dumasar kana Hadits Rasul Saw: ”Teu dianggap salah (dosa) pikeun umat kuring ngeuna- an pagawéan anu dipilampah lan- taran teu dihaja atawa dina kaayaan poho atawa dipaksa”. Teras ogé dina Alqur’an disebat- keun: ” ... jeung henteu jadi dosa pikeun anjeun perkara anu anjeun hilap ngalaksanakeunana, tapi nu matak dosa mah anu ngahaja niat milampahna ...” (QS. Al-Ahzab: 5). Sajabi ti pamadegan kitu, aya deui katerangan ulama anu teu ngameunangkeun istinsyak dina waktos saum. Nu jadi dasarna keur ngajagi (ikhtiyath) bilih aya cai anu lebet kana tikoro, nu teras lebet kana patuangan (kaleueut). Ku kituna, istinsyak dina waktos saum saéna dikantunkeun heula, tapi sok sanaos dikantukeun ogé, tangtos wuduna tetep sah, margi istinsyak dina wudu hukumna sunat. Teras, hukum ngosok waos, numutkeun pamadegan sapalih ulama hukumna mustahab, tegesna sunat, pami dilaksanakeunana sateuacan waktu panon poé aya di saluhureun sirah. Tapi pami dilaksanakeuna dina waktu panon poé tos ngagilincir, hukumna makruh. Katerangan ieu dumasar kana Hadits Rasul Saw: ”Demi Alloh! Anu sayaktosna diri abdi aya dina kakawasaan-Na. Saenya- enyana seungitna nafas jalma anu nuju saum, di sisi Alloh langkung seungit tibatan seungitna minyak kasturi” (HR. Bukhori). Dumasar kana ieu katerangan, para ulama ngagaduhan pamadegan pikeun nu saum, makruh hukumna. Pamade- gan ulama lianna, aya ogé anu nyebatkeun hukumna mustahab (sunat). Pamadegan ieu dumasar kana salasahiji Hadits Rasul Saw anu sumberna ti sohabat Amir bin Robi’ah: ”Kuring ningal Kangjeng Rosul Saw sering ngosok waos, dugi ka teu kaétang, padahal mantena nuju saum.” (HR. Bukhori, Abu Dawud, sareng Imam Tirmidzi). Wallohu ‘alam. 16 Manglé 2435
  17. 17. K ocap poé kagenep puasa saperti biasa Abu Nawas ngadaweung dina babancik imahna bari ngadagoan bedug magrib. Sabot kitu in- yananyawangkumahasangkandapurna tetep ngebul. Meunang kira-kira sapa- nyeupahan ras inget di lembur éta téh aya tuan tanah nu hirupna sugih-mukti. Imahna gedé, pangkéng-pangkéngna ngajajar, lahan pangangonana satung- tung deuleu, ingon-ingonna ngaratus, leuitna ngajéjér, duit pérakna méh- méhan teu kawadahan, jsb. Hampir saban jalma teu kajaba Abu Nawas sok baluburuh di manéhna. Ngan hanjakal manéhna téh kawentar kumed. Najan pagawéanna paéh poso buruhna teu sabaraha. Sakalina aya nu dibéré nga- hutang, naurna tara kurang ti dua kali lipet. Disebut réntenir téh lain boboho- ngan. Hiji mangsa tuan tanah apaleun Abu Nawas boga kamonésan. Demi Abu Nawasmahsabandibérénginjeumnaon baé ogé cenah témpona naur téh sok jadi anakan. Contona baé mun inyana diin- jeuman hayam (bikang), témpona dipu- langkeun téh jadi dua jeung anakna. Ceuk pikirna saha nu embung ngin- jeumkeun ka Abu Nawas. Pasti ngun- tungkeun! Manéhna, ti harita bisa disebutkeun ngarep-ngarep kainjeuman ku Abu Nawas. Soré éta kénéh Abu Nawas boga karep rék nginjeum endog tilu siki. Tangtu baé tuan tanah bungaheun naker. Lantaran pasti endogna moal lila deui bakal anakan. Malahan harita kénéh tuan tanah ngahengkopkeun ka Abu Nawas bisi rék nginjeum deui nu séjénna. Ngan ceuk Abu Nawas moal. Da, pereluna ogé ukur endog tilu siki. Teu poho tuan tanah langsung nanya ka Abu Nawas, iraha endog nu diinjeumna rék ditaur. Abu Nawas ngajawab, moal bisa nangtukeun ngan mun geus aya jang naurna tangtu moal diengkékeun. Lima poé ti harita, Abu Nawas geus ngurunyung rék naur endog nu diin- jeumna. Nu tadina tilu siki jadi lima siki. Nempokaayaankitu,tuantanahbungah amar watasuta. Tanpa pikir panjang, tuan tanah nawaran deui bisi aya kénéh nu rék diinjeum. Nya harita Abu Nawas nginjeum piring poslén dua siki. Jero pikirna,sababarahapoékahareuppiring polénna bakal ngalobaan. Lima poé ti harita, Abu Nawas datang deui rék mu- langkeun piring poslén nu diinjeumna. Nutadinaduasikijaditilusiki.Najanteu sapertinudiharepkeun,tuantanahtetep atoh. Piring poslénna nambahan. Sanggeusna kitu tuan tanah ngahaja nawarkeun duitna. Gedéna sarébu dinar! Jumlah nu luar biasa. Cenah sarébu dinar téh cukup keur mayar gajih pagawéna campleng sabulaneun. Sarua jeung saméméhna harepana duitna bakal anakan. Saloba-lobana. Biasana Abu Nawas naur hutangna saban geus lima poé. Antukna duit nu sarébu dinar téh “kapaksa” diinjeum ku Abu Nawas. Tapi, selang lima poé ti harita Abu Nawas can hol. Selang sabulan can hol kénéh.Tuan tanah geus teu sabar.Tung- tungna curiga. Moal kitu dicalikong mah ku Abu Nawas? Awalna tuan tanah jeung centéngna siap-siap rék ngontrog Abu Nawas. Ngan,inyanakaburudatang.Tuantanah atoh, da nu didago-dagona datang. Sugan téh rék naur hutangna. Kumahaatuh?“Hanjakaltuan.Artostéh bujeng-bujeng anakan. Malihan tilu din- ten saatosna ditambut sadayana ma- raot”, ceuk Abu Nawas. NgadéngéomonganAbuNawaskitu, tuan tanah ngambek sataker kebek. Malah centéng-centéngna méh-méhan ngarintug Abu Nawas. Tuan tanah ngadukeun kajadian bieu ka kadi/hakim. Kadi/hakim satuju disidangkeun. Abu Nawas didakwa nga- laporkeun “kajadian” nu dijieun-jieun. Malah didakwa ngahaja ngawadul. Gan- jarana Abu Nawas kudu digantung atawa dicambuk/dirajam. Tapi putusan kadi/hakim bener-bener adil. Ceuk kadi/hakim: “Sakur nu sok anakan pasti paéh. Sabab embé sok anakan pasti paéh. Nya kitu deui duit, mun duit sok anakan pasti paéh”. Alhasil, Abu Nawas dibébaskeun tina sagala tungtutan.*** (Disarungsum tina sababaraha sumber). Dasar Kumed Ku Mahmud Yunus Manglé 2435 17
  18. 18. 18 Manglé 2435 M un ayeuna malikan ingetan jaman keur budak, tilupara- pat abad kaliwat, aya opat kagiatan husus mapag bulan puasa di lembur kuring nyaeta: nyekar, kura- mas, munggah jeung…. ngoméan be- dug. Saur pun bapa, ti jaman aki Halipah Bintang nepi ka digentos ku anjeunna tradisi eta geus prah di- ayakeun. Kuring gé ngalaman kénéh méméh muguran akibat “sodara tua”, balatentara penjajah Jepang, nga- galaksak. Nyekar Saminggu méméh puasa makam- makam nu tadina canéom barala ku kalakay, pangpung jeung jukut ngaje- jembrung ngadadak caraang lalening. Sasatoan saperti oray, kalajengking, babakaur sésa maéhan kalabur teuing ka mana. Engké kawasna baralik deui sanggeus makam barala kawas ti heu- la. Meunang sawatara taun méméh bulan puasa, lebé ngeprik jalma-jalma nu dumukna sabudeur pamakaman jeung sing saha baé nu daék, utamana kulawarga nu dipendem, pikeun nga- yakeun kerja bakti lilana dua-tilu poé meresihan pamakaman. Nu nyuguhanana saha baé nu ihlas, tapi umumna mah para pamuka saperti Juragan Camat, Juragan Kuwu, Juragan Ulis, Juragan Jakat jeung Juragan Halipah. Dicontoan ku para “élit lembur” mah nu séjénna saperti nu boga toko jeung jalma- jalma nu sawahna lalega sok milu nganteuran susuguh. Bapa kuring mah ku sabab harita je- neng Halipah (kapala KUA ayeuna mah) sok pangheulana miwarang nganteuran téh. Atuh Ema dibantuan ku réncang-réncang ti bada subuh geus upres di dapur ngadamel opieun jeung timbel sapuratina. Pabeubeu- rangdianteurkeunkuMangEnongdi- tanggung meunang dua balikan. Kuring ogé sok susulumputan nu- turkeun Mang Enong. Tara bébéja heula sabab pasti bakal dicaram. Resep di makam mah loba barudak ngadon arulin bari paheula-heula mu- lungan manggu, limus jeung pisitan nu arasak maruragan, malah remen nimu suung mangkak. Dina waktuna ngopi atawa dahar kuring mah ku Mang Lebé sok kabagéan jatah satim- bel, didahar ku duaan jeung si Idris, anakna. Tara balik mun can disusulan ku piwarangan Ema mah. Datang- datang digambréng, da méméh indit poho mandi. Tah, sanggeus pamakaman lalening jeung caraang mah rabul nu nyalekar kamakamkulawargaséwang-séwang- an. Pamakaman nu biasana combrék jeung geueuman ngadadak ramé ku nu nyalekar. Di mana-mana aya nu meuleum sapu paré, haseupna ngelun pacampur jeung mabek bau menyan. Teu anéh mun harita loba nu aha-oho katerap panyakit batukdadakanjeung panon peurih kapuput haseup sapu paré. Da kitu di lembur kuring mah mun nyekar téh loba nu mareuleum sapu paré jeung ngukus. Pajah ngaha- neutan jeung nyeungitan nu dipen- dem. Kuramas di walungan Kuramas mah piisukeun puasa. Pa- jarkeun téh susuci raga mapag puasa nu dianggap susuci batin. Kawasna mah saréréa, lalaki, awéwé, kolot, budak poé éta mah salembur ubyag dialangir di sumur masing-masing atawa di walungan. Jaman walungan Ciroyom caina gedé kénéh, loba leuwi jeung kedungna, malah lebah lembur Sukarenah mah caina hérang nyéot tarik ngaliwatan babatuan jeung kiki- sik sabuderna. Umumna urang lem- bur harita sok di walungan marandi jeung kuramasna téh, kolot-kolot mah tempatna ngahaja milihan leuwi nu rada jéro béh girang misah ti tempat barudak. Sok dibuburak mun aya barudak rék milu mandi di dinya najan geus tarapis ngojayna ogé. “Halik, montong di dieu marandina bisikasambet”kitunyingsieunanatéh. Kasambet téh kasarumahan atawa ka- surupan. Padahal mah karagokeun meureun,dasaruaatuhsokbarulucun cukup ditutupan ku dua ramo mun rék gebrus jeung haranjatna téh. Sanggeus di darat gog naragog bari masangkeun sarung ngaliwatan sirah, karék jung nangtung. Kuring mah mun bongoh ti kolot sok milu kekecebekan di walungan. Tapi sok kanyahoan baé ku Ema mah ari tas ulin ti walungan téh. Kungsi éta ogé ngangles, tapi langsung kuninga. ”Ari éta panon bareureum ku naon?” saurna bari molototan. Atuh teu bisa kukumaha.“Dahérangieuh,atuhMa” walon kuring méré alesan. “Yeuh ma- sing katénjona hérang ogé tetep baé kotor Ciroyom mah. Geura kumaha mun di girang aya nu ngamandian munding jeung nu bubuang. Iiiy geuleuh. Matak budug deuih” saurna tandes. Da enya atuh sakapeung mun keur jongjon karokojayan sok aya “lélé konéng” milu ngaliwat. Tapi da tara dipaliré ieuh, diantep baé najan méh ngadupak irung ogé. Kajaba mun ukuranana rada istiméwa, nyaéta “karyapadat”nukabebeng,ngagelem- peng tanding pangpung ngambang Tatahar Puasa di Lembur Ku H.D. Bastaman 1
  19. 19. Manglé 2435 19 nyoloyong anteng ti girang. Nu kitu mah ku barudak sok ditalénggoran ku batu pakeuna-keuna. Can keuna mah sok “dibalapan” ka hilir bari terus dibalédogan ti sisi. Tah, mun meneran keuna nepi ka paburantak ger salusurakan bari tingcorowok “Sing murus siah! Sing mejen siah!” Mak- sudna nyarékan jeung nyupata nu bubuang sambarangan bari nyaho di girangeunana loba nu mandi. Tapi “sakadang” téh aya ogé nu salamet teu katénggor,leungitkabawacainyéotka hilir, teuing ka mana losna. Kuramas istri-istri Istri-istri mah maké cai saringan beuleum sapu paré kuramasna téh. Ti anggalna geus disayagikeun, milihan tinageugeusanparé“Geulismandi”nu baradag, garing semu hérang. Can usum sampo harita mah, malah mandi ogé loba kénéh nu dikasay ku daun peuteuy sélong minangka sabunna. Atuh meresihan pameunteu mah biasana ku pucuk daun jambu kulutukmeunangmetikbarikacai,di- caian saeutik terus, digélang ku dampal leungeun nepi ka bubuk, diusap-usap kana damis lalaunan. Moal katerap ku hunung atawa éwa- teun alias jarawat mun damis sering dibersihan ku éta mah. Harita mah boro-boro sampo, wedak nu panga- lusna ogé (da ngan hiji-hijina atuh) nyaéta wedak Saripohaci. Dijieunna tina tipung béas, diwadahan ku cepuk buleud tina kardus, eusina baruleud laleutik gedéna saluhureun siki saga, seungit orok. Saripohaci mah serba guna, bisa dipaké wedak atawa mas- ker. Mun rék dipaké wedak tinggal dibubukkeun nepi ka lemes diantara curuk, jajangkung jeung jempol, terus dipaké pupur. Duka ku naon di lem- bur kuring mah barudak laleutik awéwé lalaki sanggeus dimandian sok terus diwedakan. Kuring mah ti leuleutik panghoréam-horéamna di- wedakan téh lantaran kungsi kapire- upeunan. Mun dipaksa kudu diwedak an sok buru-buru lumpat ka cai, ngumbahbeungeut.Atuhpadangage- lendeng ku nu mapantes, pangpangna ku lanceuk-lanceuk awéwé, ceu Éna jeung ceu Momi. Tah, ceu Éna jeung ceu Momi nu biasa maké masker Saripohaci téh jaman duanana karék bijil amis cau. Carana, sababaraha siki Saripohaci diwadahan kana pisin, di- caian ku cikendi, sanggeus rada kiled terus diulas-olés kana pameunteu, antep nepi ka garing. Sanggeus ga- ring…..hasilna camohok kawas…..... bungaok. Sok dipoyokan ku kuring mah mun duanana keur anteng ngu- rus beungeut: “Siga bungaok! Siga bungaok!” ceuk kuring gogorowokan. Beretek lumpat ka jalan bari terus moyokan. Arambekeun pisan. Malah ceu Éna mah sok ngudag, mun katéwak béak diciwitan jeung dilé- kéték.Tapidatarawanieunaringudag nepi ka jalan mah. Sieuneuneun disangka bungaok enyaan kawasna. Uninga bungaok? Bungaok téh bé- jana sabangsa jurig awakna hideung lestreng buluan ari beungeutna bodas kawas nu diwedak camakblak. Mun urang leumpang di leuweung sok ujug-ujug jleg baé aya hareupeun bari rugag-rigig ngarenyohan, kereles leungitukurkadéngésorana“hohoho- hoho” tarik pisan ti jero leuweung siga ngeunah nyeungseurikeun nu nga- yekyek kasima. Kawasna mah bu- ngaok téh sabangsa monyét gedé nu kiwari kari ngaran lantaran tumpur. Aéh, naha bet kalah nyaritakeun bu- ngaok? Urang balik deui kana perkara kuramas téa. Istri-istri mah sanggeus réngsé ku- ramas sok ngagaringkeun rambut di nu rada panas bari dihéar-héar. Nu panjang pisan rambutna mah, siga Ema, sok disampaykeun kana parantina siga rak anduk tina golon- dongan awi konéng. Poho deui ngaranna mah. Tas kitu disisiran bari diminyakan ku minyak keletik (kalapa) meunang ngahaja nyieun sorangan dicampuran kekem- bangan sareungit saperti malati, tan- jung, campaka jeung kananga. Rambut panjang gomplok hideung meles téh hasilna jadi semu hérang. Tara rontok atawa huisan cenah buuk nu sering diminyak-keletikan mah. Sanggeuskituterusibu-ibujeungpara mojang maridang mapag isuk mung- garan saum bari siap-siap silih anteu- ran katuangan munggah. Kaciptana téh gareulis maranis ba- reresih istri-istri nu maridang anyar dikuramas mah, matak narik geugeut para carogé. Akibatna? Méméh saur kudu mindo dikuramas. (hanca)
  20. 20. 20 Manglé 2435 K awantu kado- rong ku rasa sono ka incue lalampahan nu sakitu jauhna téh mani teu karasa. Indit ti imah wanci janari leutik. Tumpak mobil dogong bareng jeung nu rék balanja ka pasar. Turun tina mobile nyelang solat subuh dilaju sasarap. Muka timbel beu- nang indung budak. Geus karasa cukup reureuh mahe lalampahan dituluykeun naék élf ka terminal. Turun tina élfe clak kana beus nu kabe- neran rék mangkat pisan. Karasa rinéh geus meu- nang tempat diuk dina beus mah. Angkanan téh rék nu- luykeun hanca peuting nu ka- ganggue dug deui wé saré. Nyangkéré dina jok empuk. Lep wé. Sadar-sadar beus geus asup ka jalan tol. Éta gé pédah digeuingkeun ku kon- déktur nu nagih ongkos. Ngarérét kana arlojie geus méh tujuh jam lalampahan basa beus asup ka terminal Leuwi Panjang téh. Tinggal satahap deui muru tujuan. Naék taksi wé lah ambéh gancang. Teu kuat ku sono ka incu. Sakalian deuih ambéh gampang naékkeun babawa- an nu sakitu rébona. Pukul sapuluh leuwih saeu- tik taksi eureun hareupeun panto gerbang imah si cikal. Jut turun rada rurusuhan. Méméh muka panto téh nga- haja noong heula tina sela- sela jaruji panto gerbang. Katémbong Ahzane incu ku- ring keur nangtung di téras imah dibaturan ku indungna nu diuk dina korsi. Kawasna mah karék balik sakola da diseragam kénéh. Teu kuate haté kumejot hayang geura ngarawu budak. Rekéét... lalaunan muka panto gerbange hari- wang gareuwah ka nu di jero. Na ari panto mukae gorowok téh budak ngajorowok sabari ngalieuk. “Mamah... itu liat... ada Engking...” Deregdeg lumpat muru kuring. “Engking... Engking ko cendilian... Ci Amih eng- gak ikut... lagi ngasih makan ayam ya King..?” Budak norowéco. Leu- ngeunna nangkeup pageuh kana bitis. Jung budak di- pangkue celengok diciuman. Emhe kabayar capé téh. Nya ieu pisan anu disawang sapa- parat jalan. Sora incu! “Iya Dé.., Si Amih mah lagi ngasih makan ayam dulu.” ngajawab saengabna. “Haturan Apa. Teu sareng Embu?” teu katangén ti anggalnae Eulis geus nang- tung gigireun. “Oh.. enya Lise si Embu mah rada kurang séhat tadi téh,” kuring ngajelaskeun sabari nampanan leungeun Eulis ngajakan salam. “Sanés ngawartosan heula atuhe panginten dijemput ku Kang Arman.” Eulis nga- naha-naha. “Ah da apa gé kuat kénéh. Ieu geuning bisa nepi ka dieu,” cekéng téh bari mésem. Sanggeus reureuhe kuring ngumpul di ruang makan. Dahar saaya-aya da bongan teu ngabéjaan heula ceuk Eulis téh. Kabeneran ti imah dibekelan pais lauk nileme nya sakalian wé murak oléh- oléh. “King... Dédé cekalang udah besal da. Cekolahnya juga udah mau pindah ke és dé...” Ahzan capétang nga- gulkeun sakolana. Ngomongna cadél. Ti saprak panggih ogé budak téh em- bungeun turun tina lahunan. Ahzane incu kuring nu munggarane umurna karék lima tahun maju ka genep. Teu karasa geus nincak dala- pan taun rarabina si cikal téh. Capé-capé nyakolakeune réngsé kuliah meunang gawé di bank anu lumayan gedé. Teu lila hahadéan jeung Ar- mane batur sakantor nu ayeuna jadi salakina. Keuna ku peraturan perusahaane kapaksa Eulis ngéléhan milih ngasuh budak di imah. Armane budak ngora gan- dang. Keur kasép téh soléh deuih. Atuh kumawulana ka kolote katarima pisan. Teu salah Eulis milih salaki teh. Hadé repok ceuk babasan mah. Kurang ti dua taun rarabie Eulis ngalahirkeun. Budak lalaki. Kasép ngala ka bapanae pikalucueun persis indungna keur leutik. Budak lalaki nu ayeuna aya dina lahunan. Ahzane incu kuring pisan. “Dédé mau ke és dé mana sekolahnya?” Cekéng bari ngusapan sirah budak. “Udah daftal da ke és dé i té... Bécok juga ke cana la- gih...” ceuk Ahzan. Leung- eunna teu cicinge ngopépang ngomé cocooan nu ngahaja meunang meuli tadi di jalan. “Badé séléksi énjing si Dédé téh Pa. Kamari paran- tos daftarna mah.” Eulis mairan. “Emhe mani kudu séléksi asup SD ogé di kota mah nya...” Kuring ngagerendeng. “Kalo udah gedé nanti Dédé mau jadi apa?” Kuring neruskeun nanya ka budak. “Péngén jadi gulu... kaya Engking...” Ahzan ngajawab. Kuring ngajenghok. Reuwas ngadéngé jawaban budak. Ngarérét ka Eulise manéhna ogé semu reuwaseun. *** Réngsé solat isa terus dahar ngariung. Teu biasa dahar peuting sabenerna ku- ring mah. Tapi ngéléhan. Nunggu minantu nu karék mulang ti kantor wayah ma- grib kolot. Rada ponyo dahar téhe najan diréwong ku incu anu teu elat ménta dihuapan. “Dédé makannya sendiri dong.., kasihan Engking.” Arman ngahulag. Budak teu ngawaroe malah beuki nga- hajakeun. “Keun wé Mane da tara sabulan sakali bisa ngahua- pan incu cara kieu téh.” Ku- Ku Salira
  21. 21. Manglé 2435 21 ring ngupahan. “Muhun.., ngadadak janten ogo ari aya Apa téh. Biasana mah da tara kersaeun dihua- pan daharna téh.” Eulis nga- jéntrékeun. Karasa ni’mat dahar dise- lang ku ngobrol ngalér ngidul. Biasa wé ngadongéngkeun kaayaan lembure pangalaman nu karandapan tadi di jalane jeung réa-réa deui. Reugreug nempo rumah tangga Si Cikal. Najan karék diajare tapi geus katempo eungkeut- eungkeut pimajueun. Réngsé dahare ngobrol téh diteruskeun di ruang tengah. Ahzan mah jongjon maén game dina komputer nu teu jauh ti tempat ngariung. “Geus meujeuhna boga adi si Dédé téh Man.” Ceuk ku- ring muka obrolan. “Sumuhun Pa. Kahoyong abdi mah kitu éta ogé. Ngan Eulis bangun rada horéam- eun.” Arman ngajawab bari ngarérét ka Eulis nu norojol mawa baki eusi dua cangkir kopi jeung kéler eusi lalawuhna. “Ah asa carapé kénéh Apa ngasuh hiji ogé.” Eulis mairan bari sok neundeun cangkir jeung kéler dina méja. “Bisi ogo Lis teu bogaeun batur ulin mah. Geus rék genep taun lin Si Dédé téh?” Kuring méré alesan. “Leres ari kituna mah Pae namung anu rada abot téh ngadidikna. Kedah leres-leres direncanakeun.” Eulis ném- pas. “Leres Pa. Ayeuna ogé kanggo lebet ka SD. Lumayan abot geuning didieu mah.” Arman neruskeun maksud Eulis. “Ihe tong kitu. Sing percaya ka Pangéran. Sng yakin gusti Alloh nyiptakeun manusa dibarengan jeung rejekina.” Cekéng téh mapagahan. Le- ungeun mah ngodomang kana cangkir. “Leres pisan hakékatna mah kitu Apae mung sacara saréat mah angger wé kedah diétang-étang geuning. Leres teu Kang?” Ceuk Eulis bari ngarérét geugeut ka salakina. Arman tibang imut. “Ih hirup mah lain maté- matika Lis. Rasiah Alloh mah teu bisa diitung ku jelema.” Kuring embung éléh. Lelem- butan mah ngulampreng ka jaman baheula. Kabayang deui kumaha ripuhna nga- gedékeun jeung ngadidik tilu urang bati asih jeung indung- na. Jempling sakedapan nu ngobrol téh. Karasa panon mimiti cepel. “Bilih badé leleson atuh Pae mangga ti payun. Abdi mah gaduh padamelan sakedik.” Arman surtieun. “Enya Mane Apa mah geus rada tunduh ieu téh.” Kuring ngajawabe jung cengkat tina korsi. “Dédé mau tidul cama Engkiiing...” Ahzan nu keur jongjon maén gamé lumpat muru kuringe terus metot le- ungeun ngajak ka kamarna. Komputer mah diantep wée teu dipareuman. Éléh dééte kuring nuturkeun budak ka kamarna. Isuk-isuk wanci haneut moyane kuring diuk dina korsi di téras imah. Dina méja geus nyampak kopi sacangkir jeung lalawuhna. Tambuh lakue mukaan koran nu karék katarima tadi isuk. Arman mah geus indit rebun- rebun kénéh ogée maké mobil inventaris kantor. Eulis katempo pak-pik-pek ti subuh mula nyiapkeun nu rék sasarape ngabebenah imahe sakalian ngajeujeuh- keun Ahzan nu rék séléksi. Watir sabenerna mah nempo kariweuh Si Cikal téh. Kungsi éta ogé ditawaran ladén ti lembure tapi Eulis nolak. Karagok cenah aya nu séjén di imah téh. Keun wé da masih kasiwer ngurus duaan mah. Reueus nénjo kaparige- lanana ngurus rumah tangga. Teu ieuh kadéngé luh-lah sumawona nepi ka ngarasula mah. “King... mau ikut ga ke cekolah Dédé yang balu?” Ahzan norojol ti jero. “Ih... jangan atuh Dée kasian Engking mah masih capé.” Eulis nuturkeun bu- dake laju mukakeun panto mobil. Rék manaskeun mesin kawasna mah. “Iyah Dé... Engking mah nunggu di rumah ajah ya?” Kuring ngajawab sabari ngécagkeun koran. Budak ukur manyun ngadéngé jawaban kuring. “Abdi mios heula Pae mudut pidu’ana.” Eulis nyo- longkrong nyium leungeun. Deudeuh teuing anakinge didu’akeun ku apa... Kereteg jero haté. “Ayo Dée salam dulu sama Engking.” Eulis maréntah. Teu sawatara lila mobil ngageuleuyeung ninggalkeun imah. Ninggalkeun kuring nu reueus nempo anak kadua incu. *** Asa karesel nungguan nu arindit téh. Haben mindah- mindah chanel TVe tapi eu- weuh nu kapaké. Euweuh nu ramé. Stasiun ieu acarana gosip. Pindah kanu itu acarana leuwih lalaworae popolah di sisi laut. Ahe puguh ogé kuring mah teu pati resep lalajo. Da lamun di lembur mah wayah kieu téh keur ngawur maraban lauk dilaju ngoconan si Mégae hayam pelung kameumeut. Babaku teu boga kasibukan sanggeus pangsiune mi- nangka cocooan téh balong jeung ingon-ingon. “Mau dikilim apa King.., nanti Dédé bawain.” Kadéngé deui sora budak sabot rék indit. “Emhe didu’akeun ku Eng- king kasép,” kuring nga- gerendeng ngomong sorangan. Pikiran mah ngalayang ka mangsa katukange nalika aktif kénéh mingpin SD di lembur. Boro-boro kudu séléksie éstu néangan budak nu hayang sakola téh meuni hésé pisan. Lamun kapare- ngan aya budak hayang sakola ogé pan kolotna teu mikeun. Mending dibawa ka huma atawa ngabantu-bantu nyiar suluh ka leuweung batan disakolakeun mah. Ka- rooh ku tanaga budak. Ceuk basa meunang salosin sirah ogé geus leuheung. Sakitu téh meunang sataker kebek nyiar ti imah ka imah. Sakapeung mah mani kudu beberegég pacéntal-céntal heula jeung kokolot lembur. Emh ari inget kadinya téh sok hayang seuri sorangan. “Kumaha Lise langsar tadi Si Dédé séléksina?” Kuring nanya ka Eulis. Kabeneran pasarandog di dapur basa kuring kaluar ti kamar mandi. Geus wudhu rék solat asar. “Puguh kesel nungguan nu keur arindite tadi téh kalah kapeureuman.” Kuring nuluykeun kalimah. Eulis nu keur olah pakeun dahar soré ngalieuk. Bele- nyéh imut. “Alhamdulillah Pae katingalna mah langsar.” “Naon wungkul séléksina téh?” Kuring nalungtik. “Rupi-rupi Pa,” témbal Eu- lise “Macae ngétange nyerate sareng apalan serat-serat pondok. Ditambih doa-doa sadidinten. Sakantenan wéh wawancara sareng sepuhna.” “Duh... meuni réa kitu geu- ning séléksina ogé. Kumaha hasilna?” Teu sabar kuring hayang buru-buru nyaho hasilna. “Dua dinten deui hasilna tiasa ditingal dina internéte Pa.” Ceuk Eulis. Tibang bisa ngahuleng ngadéngé jawaban Eulis téh. Karasa solat téh teu pati husu. Obrolan jeung Eulis bieu ngaganggu konséntrasi. Asa ngareunah teuing sakola di kota mah. Rajeun narima murid hayang tarima bersih. Hayang anu geus bisa macae bisa ngitunge jeung bisa nulis. Emhe teu kaci atuh kitu mahe teu afdol digawé téh! Naon peta atuh guru- guru nu ngajar di kelas hiji? Inget deui kumaha hésé bélékéna kuring jeung baba- turan baheula ngajar di kelas hiji. Lain perkara gampang ngawanohkeun huruf ka murid-murid kelas hiji mah. Asa geus tipepereket nga- jarkeun maca jeung ngitung ka barudak. Henteu wé nepi ka pegat urat genggerong mah. Tibeberegég ngajeg- keun leungeun barudak
  22. 22. 22 Manglé 2435 nyekel patlot keur diajar nulis. Nepika kaluar késang lembut kesang badag ceuk bohongna mah. Éhe nu diajarna mah haré-haré we. Kabayang deui kumaha paripolah barudak di sakola. Boro-boro rarapih maké se- ragam lengkep jeung sapa- tuna. Indit ka sakola téh cukup ku nyékére paling gin- ding maké sendal capit. Maké baju saayana. Teuing salin teuing henteu dina saminggu- samingguna téh. Teuing mandi heula teuing henteu deuih méméh indit sakola téh. Da maju ka beurang mah asa barau hangru kelas téh. Uleng ngalamune nepi ka poho geus nepi rakaat sabaraha nu kaadegkeun. Astaghfirullohe hapunten Gustie rumaos abdi lalawora. Ahirna diébatkeun wé solat téh. Deg nyieun ade- gan anyar. “Satadina mah apa rék mu- lang isukan. Tapie jadi panasaran hayang nyaho hasil séléksi si Dédé.” Kuring muka obrolan nalika ngariung sabada solat isa. “Sing rarido wé nyae apa jadi rada lila nganjang téh.” Cekéng neruskeun pamaksudan. “Ihe Apa teu kénging nyarios kitu. Insya Alloh langkung ti ridoe malih abdi ngaraos bingah pisan ka- sumpingan Apa. Da upami kersa mah atos wé Apa sareng Embu téh di dieu.” Arman gagancangan némpas. “Muhun leres pisan. Reugreug panginten abdi tiasa ningal Apa sareng Embu tiap dinten.” Eulis nambahan kalimah salakina. “Sukur atuh ari hidep rarido mah. Ngan ari kudu nganjrek di dieu mah jigana moal bisa. Teu biasa apa mah cicing di kota.” Reugreug haté nga- déngé karidoan anak kadua minantu. “Kumaha upami mulih téh engké waé ahir sasih Pa? Kaleresan abdi badé ngaban- tun cuti. Sakantenan liburan di lembur.” Arman nawaran. “Iya Kinge nanti Dédé bela- jal mancing lagi kaya libulan kemalin. Telus belajal mandiin ayam...” Ahzan milu mairan ngobrol bari ngalé- ndéan. Kuring nyenghél nahan piseurieune kagugu ku kalakuan budak. “Engking pulang duluan mau ngasih makan ikane biar nanti kalau Dédé ke sana ikannya udah pada gedé.” Kuring ngabébénjokeun. “Keun wé tong teuing ngari- weuhkeun Mane geus puguh hasil séléksi si Dédé mah apa rék mulang baé. Jeung deuih si Embu bisi melangeun. Nya rék liburan di lembur mah sukure ku apa ditunggu pisan.” *** Nincak saminggu nganjang di imah si cikal haté asa tagi- wur. Hayang geura mulang ka lembur. Tapi panasaran hayang nyaho hasil séléksi si Dédé. Samar koléséh. Lajag- léjég teu puguh gawé. Diuk mukaan korane tapi henteu ari dibaca mah. Sababaraha kali nanyakeun ka Eulis ngeu- naan béwara hasil séléksi téa. Tepi ka tadi beurang mah can aya waé. Naha nya? Pan ceuk Eulis ogé jelas poé ieu hasil séléksi téh baris diibarkeu- nana. Boa-boa diundur? Ah atuh mulang ka lembur téh moal tulus isukan. Hampura Embue pan jangji apa ngan dua poé. “Kiiing... ciniiiih...! Ii ada nama Dédé di komputel...” Kadéngé Ahzan ngajorowok. Gura-giru kuring asup ka jero imah. Katempo Ahzan jeung indungna keur nengetan in- ternét. “Ciiing... Engking lihat...” Teu sabar kuring molototan béwara dina komputer. Ditengetan hiji-hiji ngaran nu aya dina daftar hasil séléksi. Sidik kabacae MUHAMMAD AHZAN. Incu kuring lulus!! “Lulus budak teh Lis..!” Kuring teu wasa nahan galura haté. Lamun teu éra ku budak mah mani hayang ajrag-ajara- gan bakating ku bungah. Jung budak dipangku. Hantem di- galéntor diciuman. Teu karasa aya cai haneut merebey tina juru panon. Alhamdulillahe incu kuring tulus asup ka sakola nu dipikahayang. Sanggeus ngécagkeun bu- dake panon jongjon nengetan deui layar komputer. Teu menda-menda atuh da maca ngaran incu dina daftar. Tetempoan téh terus ka han- dap. Kabaca sarat adminis- trasi nu kudu ditedunan ku kolot murid nu lulus. Kuring ngajenghoke asa teu percaya kana tetempoan. “Eulise coba ieu tengetan sing gemete na teu salah tetempoan Apa..?” Kuring né- pakeun kahélok. Eulis neuteup kuring sakedapan. Kajudi manéhna ngarasa héran ku sikep nu jadi bapana. Haben ditunjukan angka nu aya dina komputer téh. Sidik teu salah. Kabaca aya rupa-rupa biaya nu kudu dibayar; duit taunan tilu jutae duit bulanan tujuh ratus lima puluh rébue duit keur meuli tilu rupa seragam opat ratus lima puluh rébu. Total nu kudu dibayar ku si cikal téh opat juta dua ratus rébu. Éta deuih di handapeunana aya katerangan yén duit téh kudu dilunasan dina waktu daftar ulang. Subhanallohe ieu mah lain bayareun jalma leutik! “Leres Pae na kunaon kitu?” Eulis malik nanya semu teu ngarti. Kuring teu wasa nga- jawab. Hareugeueun nempo angka dina komputer. Ba’da solat subuh kuring tatahar rék mulang. Asa lalungsé awak téh. Tambah- tambah pikiran teu bisa leu- pas tina kajadian soré kamari. Kabayang waé angka dina komputer. Dina haté leutik mah percaya yén Si Cikal geus nyiapkeun waragad keur sakola anakna. Nu jadi pikiran téhe éta asa kacida biaya sakola di kota mah. Jigana jalma leutik mah ngimpi hayang sakola di nu merenah ogé teu meunang! Kurah-koréh kana kantong tas. Inget saacan indit téh nga- jual heula burayak tina ko- takan handap. Duitna can kaburu disetorkeun ka si Embu. Keun baé ah rék di- paké ngajimatan incu. Rarasaan mah si Embu ogé bakal ridoeun. Sajuta dua ratus rébu kabéhna mah duit téhe cocéng saratus rébu di- paké ongkos jeung meuli oléh- oléh basa indit. Atuh keur balik nyésakeun saratus rébu deui. Sesana nu sajuta di- tilepane sup kana saku baju. “Janten mulih dinten ieu Pa?” Eulis nanya basa nempo kuring geus saged kaluar ti kamar. “Enya Lis. Geus lila teuing ninggalkeun lembur. Melang ka nu ditinggalkeun.” Kuring ngajawab sabari ngécagkeun tas di patengahan. Eulis ukur mésem ngadéngé jawaban kuring teh. “Engking jangan pulang cekalang...” Ahzan norojol ti kamarna. Tayohna mah kageuingkeun ku obrolan ku- ring jeung Eulis. Jung budak téh dipangku. Ditangkeup pageuh pisan. “Engking kan mau ngasih makan ikan. Kasian pada belum makan..” Cekéng ngu- pahan. “Dédé mau ikut sama Engking?” “Dédé mah nanti ke lumah Engking nya naék mobil cama ayah.” Ahzan ngajawab. Awakna ngagurinjal hayang- eun turun tina pangkuan. “Udahe Dédé solat dulu gih!” Eulis maréntah. Budak téh ngartieun. Léos ka kamar mandi rék wudu. “Jangan lupa gosok gigi ya Déé..” Saréngséna sasarap ngari- ung jeung anak miantu katut incue kuring amitan. Teu poho ngeupeulkeun duit nu geus disiapkeun tadi ka Eulis. Kéképéhan si cikal embung- eun narima. Tapi sanggeus kuring ngajelaskeun yén hayang ngajimatan ka Ahzan mahe ahirna duit téh ditari- ma. “Naon atuh candakeun ka lembur nyae teu gaduh kanggo oléh-oléh.” Ceuk Eulis. Leungeuna nyodorkeun kar- dus nu geus dirarapih. “Ieu mah tamba teu aya teuing bu- rueun. Nitip kanggo Embu.” Eulis neruskeun kalimah. “Aah... keun teuing atuh tong ngaririweuh.” Kuring ngajawab. Kardus mah dita- mpa ku Arman. Sot diteun- deun dina bahasi. “Sok nya... didu’akeun ku apae sing garédé milik.” Hiji-hiji budak jeung incu dirangkul. Tadina indit téh
  23. 23. Manglé 2435 23 rék kana taksi nepi ka termi- nal mahe tapi Arman maksa hayang nganteurkeun. Sakalian indit ka kantor cenah. Padahal kuring ogé nyaho kantor Arman mah patukang tonggong jeung terminal. “Apa mah nganggo masi- han artos sagalae janten isin abdi.” Arman muka obrolan basa mobil kaluar ti pakarangan. “Ih ulah sok kitu. Éta mah jimat tanda kanyaah keur Si Dédé. Kabeneran Apa meu- nang rejeki.” “Sumuhun katampi pisan. Namung janten ngarépot- keun ka Apa sareng ka Embue padahal parantos disiapkeun biaya kanggo si Dédé mah da.” Arman ngagerendeng. Balas dibarengan ku ngo- brol mah lampah téh teu ieuh karasa. Mobil geus asup ka terminal. Jut turun ditu- turkeun ku minantu nu nga- jingjing babawaan. Sup kana beus nu masih ngetém. Hayang reureuh tuluy saré dina beus téh cara kamari keur inditkeune tapi teu bisa. Dipeureum-peureumkeune panon kalah ka cangkeul. Aya nu ngaganjel dina lelem- butan. Antukna pipikiran téh lus-los ka ditu-ka dieu. Inget deui kana biaya sakola incu kuring nu kabaca kamari. Punduk asa kukurayeun. Kagambar deui dina lamu- nan kumaha kaayaan sakola nu aya di lembur. Boro-boro diperedih duit juta-jutae sakadar udunan keur nyumponan kahayang baru- dak dina samen ogé sakitu susahna. Loba pisan kolot murid nu teu bisaeun nyumponan duit keur udunan nu gedéna teu nepi ka sapuluh rebu ogé. Heuheuy deuhe ari samen hayang dikariakeune tapi palebah babayaran mahe “Nyanggakeun sadaya- daya...” jawabanna téh. Kukituna mah enya meureun bororaah keur kariaan samene dalah keur kaperluan sapopoé ogé sa- kitu weritna. Teu bisa ditahan-tahane lamunan téh kalah ngulam- preng ka salah saurang murid kuring baheula. Rohmane murid kameumeut minangkana mah. Keur bageur téh pinter deuih. Atuh getolna kana diajar taya nu bisa ngéléhkeun. Masagi deuih budak téh. Di- ajar hayue olahraga bisae atuh dina seni pangpun- julna. Matak teu anéh lamun manéhna mindeng ngawaki- lan sakola mun seug aya per- lombaan. Malah dina taun harita mah manéhna jadi juara ka dua murid teladan pinilih tingkat kabupatén. Harita Rohman diuk di kelas lima. Rék naék ka kelas genep lamun euweuh kaja- dian ieu mah. Hiji poée teu cara biasana Rohman teu asup sakola. Teuing kunaon da taya béja. Meunang béja téh kabeurangnakeun. Mang Jajie tukang cocooan baru- dak nu sok ngampar di bu- ruan sakolae dumukna salembur jeung Rohman. Éstu reuwas meunang béja ti Mang Jaji harita. “Hapunten Pae sim kuring katitipan wartos réhna ra- mana Rohman... ngantun- keun!” Ceuk Mang Jaji sanggeus diuk dina korsi papan di jero kantor. “Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun. Bener éta téh Mang?” Kuring malik nanya. Kabayang beungeut budak nu sakitu lungguhna. “Leres Pa. Nembé ge abdi ngiring ngurebkeun.” Mang Jaji nandeskeun. Reye awak karasa leuleus taya tangan pangawasa. Antukna poé éta mah diajar téh teu parat. Sakabéh murid kelas lima katut guru-guru diabring- keun ngalayad ka imah Rohman. Kelas séjénna mah sina baralik wéh.Aya nu rembes haneut kana dada basa kuring ngarangkul Rohman. Diantep wé budak téh nginghak ceurik dina keukeupan. Sakedapan mah teu wasa nyarita. Teu kuat nahan nu nyelek na tikoro. “Sing sabar kasép. Anggur mah urang du’akeun bapa hidepe mugia ditampi iman islamna...” Maksakeun nyarita. Karasa beurat létah téh. Nyah budak tanggahe tapi teu nyarita. Ngan panonna wé katempo rambisak. Tina obrolan jeung in- dungnae kuring jadi nyaho yén Rohman téh nunggal. Hirupna éstu prihatin. Kabi- asaan sapopoénae sanggeus balik sakola tuluy kula-kuli ngabantu-bantu kolotna. Mun teu ngala keusik man- tuan bapanae Rohman sok milu nyadap lahang kawung jeung mamangna. Ditilik tina kaayaan imahnae ja- jauheun tina senang jigana téh. “Abdi bingung kanggo neraskeun sakola pun anake Pa.” Dareuda indung Rohman waktu ku kuring di- ajak ngobrol. “Waktos ba- pana aya mahe nya alit-alit ogé aya kanggo ngabayuan sakola pun anak. Ka payunna mah duka atuh...” Ceuk indung Rohman dise- lang ku nginghak ceurik. “Keun wé tong seueur teu- ing émutan Ceu. Rohman téh pintere bageure atuh paripolahna pikahémaneun. ” Kuring nyelang ngaréng- hap nyingkahkeun bang- baluh rasa. “Lebar upami sakolana kedah pegat. Sing kahadé teraskeun. Perkawis biaya mah tong diémutan. Insya Allohe mudah-muda- han aya rejekina.” Kuring lah-lahan méré luang. Da saenyanae dina euweuhna ogé waragad ti sakola keur nulung manéhnae keun wé ku kuring ditangkes. Saminggu ti saprak ba- pana maote Rohman can témbong asup sakola. Di- tanyakeun ka baturna eu- weuh nu nyahoeun. Dipaluruh ka Mang Jaji ogé lapur teu aya béja. Mak- sakeun ditéang ka imahna. Keun baé jauh ogé. Hayang ngariksakeune palangsiang gering atawa aya naon-naon. Nepi ka imahnae lumayan rada ngahégak engapan balas nyorang jalan nanjak. Suwunge teu katempo aya jelema di jero imah téh. “Teu aya Pa Gurue Ceu Isah mah nuju ngarambét di lebak.” Kuring ngalieuk ka nu nyoara. Geuning tatangga Rohman nu karék balik ti sawah. “Dupi putranae Rohmane nuju ka mana?” Nu ditanya ngajengjen teu ngajawab. “Dupi Ceu Isah di palih mana ngarambétnae tebih teu?” Kuring nanya deui. “Cakete itu di lebak. Mangga atuh dijajap ku abdi.” Manehna ngajawab. Kuring ngiclik leumpang nu- turkeun lalaki tengah tuwuh muru ka sawah nu aya lebakeun imah Rohman. “Hapunten Bapae sanés abdi teu ngupami kana kanyaah Bapa. Da éta ogé ku abdi téh tos diwagele tapi budak téh maksa geuning,” semu reuwaseun Ceu Isah ngajawab basa ku kuring di- tanya ngeunaan anakna. “Na ka mana Rohman téh?” Kuring nanya beuki panasaran. Nu ditanya ngahuleng sakedapan. Teu lila pok manéhnae ”Euhe ngiring sareng tatanggi. Badé kuli saurna téh di kota.” Antaré pisan Ceu Isah ngajelaskeun budakna. Dege aya nu nenggel kana angen. Seueul karasana. Kuring teu bisa cumarita. Haté peurih lir digerihan hinis. “Deudeuh teuing Rohman...” Teu sadar kuring ngagerendeng. Nu diuk gi- gireun ngalieuke melong sakedapan. Kuring human- deuar. Beus maju éstu ngarayap. Léléda pisan. Kawas nu horéameun ngam- bah tanjakan. Teu béda jeung rahayat leutik nu méh teu walakaya. Ngarumpuyuk kateum- brag mahalna biaya sakola. Tipepereket meureumkeun panone neger-neger haté nu pagaliwota ku rupa-rupa rasa. Lamunan ngawang- ngawang diayun ambing ku gerungna sora mesin *** Karang Katineunge Juli 2012
  24. 24. 24 Manglé 2435 G eus sapuluh poé Jang Endin teu indit ngantor. Geus sapuluh poé manéhna gering. Panyak- itna reureundahan. Dua poé mending, katilu poé- na karasa. Sapoé men- ding, kaduana karasa. Kitu jeung kitu baé, matak bosen anu ngurus. Mun keur karasa, éstu matak watir anu ningal. Sakujur badanna tiis combrék, ngan palebah dadana anu panas nye- bret téh. Ketug jajan- tungna nurugtug. Panonna burial-buncelik, huntuna tipepereket. Adug lajer. Ka dokter mah ka dok- ter, pindah-pindah ka sababaraha dokter. Tapi teu cageur baé, karasa deui karasa deui. Jeung atuda ku dokter-dokter téh teu diubaran, paling- paling di-haneutan, awakna digosok ku mi- nyak kayu putih. Kabéh dokter nu geus didata- ngan téh sapamanggih, yén nu gering teu aya pa- nyakitan. Teu perlu di- ubaran, teu perlu diop name. Majar téh cukup ku dihaneutan awakna, bari dibeberah haténa. Bosen ka dokter, tatam- bana pindah ka dukun. Teu mempan ka dukun ieu, pindah ka dukun itu. Tapi tetep teu aya men- dingna. Kabéh dukun nu geus dipentaan tulung, sapamanggih, yén ge- ringna Jang Endin téh aya nu ngaheureuyan. Najan kitu cageur mah henteu. Dukun lintuh, kasakit matuh. Ayeuna pindah ka kiai. Kiai beken tukang nga- landongan anu katum- pangan. Sanggeus ku Kiai dipelong, pok anjeunna sasauran ka lanceukna anu gering, "Tangtu baé moal cageur ku ubar dokter, da lain gering biasa. Ieu mah geringna téh lantaran ngagenggem rasiah. Mun rasiahna kedal mah, insya Alloh Mama bisa nuduhan pilandongeun- ana. Ayeuna mah ririhan heula baé, sugan daé- keun wakca." Ngendek dua poé lanceukna geus pun- cengis deui datang ka Kiai. Tuluy nyarita, "Parantos diririhan téh supados wakca, ku pun biang, ku pun bapa, ku abdi pisan. Parantos ku leuleus parantos ku keras, nanging tetep ngabigeu. Bujeng-bujeng wakca, nyarios ogé hen- teu. Éta mah sadaya- daya, nyanggakeun kumaha Mama." Mama Kiai ngaheneng sajongjongan. Saurna, "Nya ari kitu mah ku Mama rék dicoba baé dipigawé, sugan Alloh marengkeun. Ngan wa- yahna nu gering téh sina maca takbir sapeutingna 3600 kali, salila tujuh peuting. Mun teu kua- teun, beunang dibaran- tuan ogé. Engké dina peutingan anu katujuh Mama tangtu ka ditu. Engké peuting mimi- tina." "Mangga Mama, badé diéstokeun pisan." Ayeuna unggal peuting nu gering téh teu eureun- eureun maca takbir, dibantuan ku bapana, ku lanceuk-lanceukna jeung ku adi-adina. Tacan sararé mun jum- lahna tacan 3600 kali mah. Sanggeus sok talakbir mah, nu gering téh teu karasa-karasa. Dina peutingan katu- juh Mama Kiai sumping. Bada isa breng deui saréréa takbir saperti sasari. Malah Mama Kiai ogé mantuan. Kira-kira tabuh sapu- luh, Jang Endun adina nu gering, katingal ngalenggut nundutan, malah tungtungna mah golédag baé saré. Maké kérék nanaon. Teu kungsi sajam meureun saréna téh, kulisik nyaring, tuluy hu- dang. Panonna buring- has, rungah-ringeuh, tuluy ngusap beungeut sababaraha kali bari istigpar. Ceuk indungna, "Batur muji, ieu mah kalah ka saré!" "Saré? Da teu saré Endun mah, nembé dongkap." "Na, tas ti mana rarasaan téh?" "Tadi basa keur muji, ngan jol baé aya sepuh ngajak mios. Maksa teu kenging teu daék. Jung baé Endun nuturkeun. Lami-lami dongkap ka hiji gedong. Katingal di patengahan éta gedong nu caangna ukur reyem- reyem téh, seueur istri sataranjang keur tingra- KuntiKu Ki Umbara
  25. 25. Manglé 2435 25 rigig bari tingcikikik arigel-igelan, ngurilingan anu cindeluk di tengah- tengah. Ari disidik-sidik, geuning anu cindeluk téh ... Kang Endin. Ku Endun gancang diburu, bari ny- ingray-nyingray anu keur tingrarigig." "Ku naon Kang Endin aya di dieu?" ceuk Endun téh. "Enya," omongna bari neuteup. "Hayu atuh urang uih!" "Teu bisa leumpang Akang téh, ieu suku dua- nana laleuleus!" "Regeyeng ku Endun dipanggul, tuluy kaluar ti éta gedong. Sepuh nu tadi téa parantos teu aya, du- ka ka mana. Ngagedig wangsul bari manggul Kang Endin. Sadongkap- dongkap, teras dikedeng- keun dina éta ranjang," pokna bari nunjuk kana tempat saré nu gering. "Tah, tetela nu gering téh kasambet. Diganggu nu alus. Éta awéwé- awéwé téh ... kunti," saur Mama Kiai, "ari kunti téh asalna awéwé nu maot ngalahirkeun ..." "Tobat, Mama!" ceuk nu gering tibuburanjat. "Ema, Bapa, hapunten abdi, rumaos ageung dosa!" tuluy ceurik ngagukguk. Sanggeus leler, paralak nu gering téh nyarita, "Parantos sapuluh sasih abdi téh sasaéan sareng hiji mojang, réncang sapadamelan. Dugi ka éta mojang téh... ngandeg," segruk deui manéhna ceurik. Bari inghak-ing- hakan nu gering nuluy- keun caritaanana, "Manéhna keukeuh nyuhunkeun ditikah. Abdi keukeuh alim, da sieun ku Ema sareng ku Bapa. Malah saparantos terang manéhna ngan- dung mah, abdi téh nyaba ogé: tara deui. Ari tilu minggu kapengker, aya nu ngawartosan, yén manéhna maot nga- lahirkeun, bari orokna teu kungsi lahir ...” Na, ana jarangkang téh Jang Endun nangtung, tuluy engklak-engklakan bari seuseurian, presis nu eusleum. Breng deui nu araya takbir, sorana mani ngaguruh, bangun nu harusu pisan. "Hihihih! Hihihi! Hihi- hih! ... Panas! Panas! ... Teu kuat!" ceuk Jang Endun bari ngusapan dadana. Nu talakbir sorana beuki bedas, "Allohu Akbar! Allohu Akbar! Al- lohu Akbar!" "Panas! Teu kuat!... Hi- hihi... hihihi, hihihih!" Golédag Jang Endun ngalumpuruk, les teu inget.... (Harita nu di laluar cenah naringal aya awewe ngariringkik kaluar ti kamar nu ge- ring, tuluy ngagayabag ka luhur ka palebah dapuran awi tukangeun imah, bari cicikikikan. Sorana matak muringkak bulu punduk). Sanggeus ku Mama Kiai sirahna diceuceuhan jeung dijiad, Jang Endun ngulisik, inget deui. “Mama...,” ceuk nu ge- ring ngarérét ka Mama Kiai, “tuduhkeun abdi jalan tobat!” tuluy ing- hak-inghakan. “Insya Alloh, Jang!” saur Mama Kiai. “Cageur baé heula ayeuna mah. Keun nu maot mah, sugan Alloh marengkeun, urang sampurna- keun.”***
  26. 26. 26 Manglé 2435 W asta ku- ring Sekar Asih Chadar- wati dibabarkeun di Ban- dung 16 warsih kapungkur. Pun bapa sareng pun biang geus pirak sabot kuring masih kéneh SD. Kuring ancik sareng nini ti pun biang di Bandung. Ari pun biang ancik sareng digawé di Jakarta pikeun ngabi- ayaan kuring jeung nini di Bandunge sedengkeun pun bapa henteu apal laratanana sabab saprak pirak jeung pun biange pun bapa tara ngalongokan kuring. Ayeuna kuring sakola di SMAN 5 Bandung kelas XI- IPA 2. Urang sadaya tangtu geus apal lamun SMAN 5 téh kaasup salasahiji sakola favorit nu aya di Bandung. Loba siswa nu hayangeun asup ka éta sakolae kuring pohara bungahna bisa asup sakola ieu. Di sakola kuring boga dua urang sobat anu ku kuring dipikanyaahe nyaéta Dita jeung Abel. Urang tiluan geus sosobatan saprak SD. Ku lantaran kitue teu anéh lamun ku- ringe Ditae jeung Abel po- hara raketna. Lian ti kitue kuring téh anak tunggale Dita jeung Abel téh geus ku kuring dianggep kawas baraya kandung sorangan. Kuring gumbira kacida lan- taran boga sobat Dita jeung Abel. Poé ieu kuring hudang kabeurangane meureun lan- taran kuring saré peuting teuing sanggeus lalajo acara tipi dance k-pop. Kuring po- hara mikaresep Koreae sumawonna lamun soal dance bisa disebut kuring ieu 'k-popers' atawa nu mikaresep Korea. Sagala rupa ngeunaan Korea ku- ring bogae ti mimiti poster- poster artis Koreae kasétnae bajue nepi ka barang- barang anu ngeunaan Korea kuring boga. Artis Korea anu kuring pikaresep téh nyaeta girlband SNSDe lan- taran gareulis jeung deuih dancena alus jeung kerén kacida. Lamun kuringe Ditae jeung Abel geus ngomongkeun Korea man moal aya ahirnae he… he. Jam weker di kamar kuring geus nembongkeun tabuh 06.30, kuring geuwat kaluar kamare tuluy pamitan ka nini rék indit ka sakola. Di tempat biasa kuring nung- guan angkot nu ka sakola- keune tapi ayeuna mah euweuh hiji angkot ogé nu ngaliwate meureun da geus beurang teuing. "Aah lantaran saré peu- ting teuing yeuh jadi wéh pan kuring telat", gerendeng kuringe kaluman lantaran geus lila nungguan angkot euweuh hiji ogé anu liwat. Sabot nungguane ngadak- ngadak aya mobil anu ma- juna ka arah kuringe sarta pas di hareupeun kuring aya kuyumbang caie atuh baju kuring baseuh kakeunaan cipratan kuyumbang cai éta. "Wooye ari manéh teu bisa mawa mobil lain?!?" ceuk kuring bari ngetok kaca mobil éta. Teu lila kaca mobil dibukae tetela jelema nu aya di jero mobil téh nyaeta Beverlye Sisile jeung Minie babaturan sakola kuring. Maranéhanana téh di sakola emang geus katelah tukang nyieun masalah. "Uups sorrye sugan téh euweuh jelema" ceuk Be- verly ngalédék kuring bari jeung nyeungseurikeun. "Pantesan waé manéh teu ningali lamun aya jelemae kacamata manéh tah laan heula! Siga nu rék nyaingan tukang urut lain?!?" témbal kuring malik ngalédék Be- verly anu maké kacamata hideung jiga tukang urut lo- long. Ngadéngé omongan kuringe Beverly ambeke tuluy boga niat nyampeur- keun kuringe tapi dua baturna nyarék Beverly lan- taran sieun kabeurangan. "Kadé manéh enyae uru- san urang tacan bérés!" ceuk Beverly ka kuring bari ngajalankeun deui mobilna. Beverly jeung dua baturna emang henteu resep ka kuringe meureun pédah kuring téh saingan dance maranéhanana. "Aduhe kumaha ieu geus beurang kacidae euweuh angkot ogé!" ceuk kuringe semu kesel sabab angkot eu- weuh hiji-hiji acan anu ngaliwat. Rege aya motor anu eur- eune ngarandeg di hareup- eun kuring. Lamun ditingali tina saragamna mahe manéhna ogé sakola di SMAN 5 Bandunge sabab saragamna sarua jeung anu ku kuring dipakée ngan bé- dana kuring maké eroke Karémbong Nini Ku Novi Yanti Juara Kadua Pasanggiri Ngarang Carpon Paguyuban Pasundan

×