SlideShare a Scribd company logo
1 of 57
Download to read offline
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-
marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky
M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
N
été tarajé nincak hambalan. Kitu ceuk kekeca-
pan karuhun mah. Jadi pamingpin gé misitina
mah kitu, teu ujug-ujug jleg. Tapi, kudu lir nu
ngaléngkah atawa nu naék, kudu satahapan-
satahapan.
Kapamingpinan kawas kitu gé, kagambar dina carita
Mantri Jero, karangan R. Méméd Sastrahadiprawira.
Dina eta carita, Yogaswara bisa jeneng jadi gegeden na-
gara. Tapi, kituna téh teu gampang, da kudu ngaliwatan
lalakon panjang. Mimitina, ngadunungan di puseur na-
gara, jadi purah ngurus kuda, saterusna jadi abdi dalem
nu deukeut ka dalem. Ahirna, satutas ngaliwatan rupa-
rupa ujian, Yogaswara kakara diangkat jadi gegeden na-
gara.
Dina pakalangan pulitik mah beda. Apan, kekecapan-
ana ge ‘aya jabatan pulitis’, nu beda jeung jabatan karir.
Nu disebut mimiti mah, gumantung kana tinimbangan
pulitik, lain kana kamampuhan. Padahal, nu ngarana jadi
pamingpin, tangtu boga anak buah. Hartina, dina ming-
pin téh kudu apal kana pasipatan nu dipingpinna téa.
Mitra, tumali jeung kapamingpinan, di lingkungan
pagawe nagri ge loba nu nu ditataharkeun jadi pamingpin.
Ngan, di dinya mah, da puguh ‘jengjang’ karirna. Nu jadi
pamingpin téh kudu nété tarajé nincak hambalan.
Tumali jeung kapamingpinan di pagawe nagri, Manglé
ngolongan pamanggih Dr. Ikke Dewi Sartika, M.Pd.,
Ketua Korps Pegawai Republik Indonesia (Korpri) Jawa
Barat. Inyana ngarasa yakin, jalur Korpri gé bisa ngahasil-
keun pamingpin pinunjul boh lokal boh nasional. ***
Ngakar di Masarakat
LLawangSakéténg
LAPORAN
Pasantren,
Ulah Jadi Kaulinan Pulitisi .................. 8
BAHASAN
Caleg Burung
E. Saefullah Wiradipradja .............. 10
KOLOM
Ilubiung dina Pulitik
H.Usép Romli HM .......................... 11
IMPLIK - IMPLIK
Séntra Industri Sapu & Sikat
Dipikabutuh Masarakat .................. 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Aweuhan ........................................... 41
Gedong Sate ...................................... 42
Rancage ............................................ 43
Mangle Rumaja ................................ 44
Katumbiri .......................................... 50
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
5
TAMU
Dr. Ikke Dewi Sartika, M.Pd.
Mukakeun Jalan Nagarawan Jalur Korpri
Potret:Reisyan
Datang ka imah téh méh magrib. Di-
papagkeun ku Nyi Anih nu mangmuka-
keun garasi. Terus mangjingjingkeun
kantong kérésék eusi dahareun. Tadi asa
roy hayang pais lauk uduh-cucuk; mana
basa balik nyimpang heula ka “Dapur
Indung” meuli. Bari ngiringkeun ka jero
Nyi Anih nyarita,
“Tadi aya bulé istri ka dieu milarian
Ibu,” pokna....
Vivi
UDAY ENTERPRISE
(Wedding Organizer & Paket Catering)
Alamat: Jl. Lengkong Besar Blk No. 70
(sebelah kampus UNPAS)
Tlp. (022) 4217800 / 70333358 – 59 /
Fax. (022) 4217800 Bandung
C’est Jolie
JAGAT WANGWANGAN
( KACA : 17 - 40 )
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
3Manglé 2475
KKacaTilu
Situ Aksan
A
ya kana 400na cenah hulu cai,
atawa séké, anu kungsi aya di
kota Bandung téh. Matak loba
kénéh ngaran tempat anu maké séké
gé, meureun kana kitu. Moal
samangsa-mangsa aya ngaranna
lamun teu kungsi aya barangna. Ari
ayeuna ka marana atuh éta mang-
pirang-pirang séké téh?
Ku alpukahna barudak ngora anu
araktif di komunitas Jaga Séké, anu
aya kénéh ayeuna téh cenah kakara
kapanggih 70 séké. Caian kénéh, aya
kénéh kulahna. Ridwan Kamil jangji
éta séké téh bakal dipiara, bakal di-
rawatan, supaya caina ulah nepi ka
saat. Lamun perlu lahanna dibeuli ku
nagara. Jeung keur nu ngurusna
deuih. Jangji walikota kitu téh kudu
dicatet ku saréréa bisi ka dituna jalir.
Peupeuriheun anu ka tukang-tukang,
atuh.
Ceuk ujaring carita Bandung téh
baheulana dano, talaga anu kacida
legana. Patula-patalina jeung Gu-
nung Sunda, cenah. Sanggeus caina
surud, talaga anu sakitu legana téh
nya jadi lahan anu ayeuna jadi
padumukan urang Bandung. Ari
talagana ka mana? Henteu, henteu
leungit tanpa lebih ilang tanpa
karana. Aya kénéh sésana, malah sok
disarebut bujalna, nyaéta Situ Aksan.
Nepi ka ayeuna ngaran Situ Aksan
aya kénéh. Ari situna ka mana? Nepi
ka awal taun 1960-an mah loba
kénéh anu dina poé Ahad téh pelesir-
na sok ngajugjug ka Situ Aksan, di
sagigireun ka derentén téh. Jigna ka
Situ Aksan biasana kana délman.
Amberekut saanak bojo jeung
bebekelanana sagala. Lantaran
maksudna gé arék sukan-sukan. Atuh
datangna ka ditu lain lantung tambuh
laku lain lunta tanpa seja. Di dituna
mah nu saanak-bojo téh ngadon
lalayaran, paparahuan. Harita mah
Situ Aksan téh caian kénéh. Jeung
jero deuih matak bisa dipaké
paparahuan ogé.
Ari ayeuna ngan tinggal ngaranna.
Jalan Situ Aksan nu jadi ciri buktina
téh. Situna mah geus ka mana boa. Na
ku naon situ sagedé-gedé nepi ka eu-
weuh tapak-tapakna acan?
Lebah dieu sarakahna urang Ban-
dung téh. Teu lebar-lebareun, pada-
hal éta téh situ purba. Lamun
ditanyakeunana ka T. Bachtiar mah
pasti bakal panjang dongéngna.
Urang gé, nu ngadéngékeunana,
bakal milu unggeuk-unggeukan.
Lebar temenan nya, éta situ nepi ka
leungitna.
Nu ngarurus Bandung harita,
malah boa ayeuna gé masih kénéh,
teu percaya yén dongéng téh bisa di-
jual. Jeung matak beunghar deuih.
Paribasana ayeuna, jeung sok jadi
kaagulan deuih, lamun nyarita
ngeunaan lobana wisatawan anu
daratang ka Bandung. Maranéhna
téh ngaluarkeun ongkos nu lain sa-
eutik, matak urang Bandung
kabagéan ogé. Nu dijarugjugna ang-
klung ujo, Tangkubanparahu. Naha
ku naon henteu dibawa ka Situ
Aksan?
Padahal éta téh titinggal situ
purba. Lain ratusan taun umurna
ogé, ieu mah geus samaliun. Ari kana
anu hareubeul kitu apan loba anu
resep. Dibélaan jauh-jauh datang, teu
panasaran ongkosna mahal gé, pada-
hal sanggeus datang ka tempatna anu
kasaksian téh teu kurang teu leuwih
ukur tihang-tihang pasésaan bangu-
nan anu geus runtuh. Tapi lantaran
ayana di Yunani, di Roma, nu matak
jadi kapanasaran téh lantaran
dongéngna. Dongéng Yunani jaman
baheula. Dongéng Romawi jaman ba-
heula. Ditémbongkeun pasésaanana,
bari dibarengan ku dongéngna, mani
asa enya nu baheula-baheula téh
tingkolébat deui di hareupeun. Teu
panasaran lah datang ti jauhna bari
kudu mayar mahal gé.
Ari urang Bandung ayeuna teu
boga jaman baheulana kitu? Na kira-
kirana éta jaman baheula téh lamun
katémbong kénéh pasésaanana bari
kadéngé kénéh dongéngna, moal
ngahudang kapanasaran kitu?
Ridwan Kamil cenah kungsi
mandi di hulu cai, nyaéta séké téa. Nu
matak ayeuna rék ditéangan deui
cenah tah séké anu geus karuang ku
sagala rupa téh. Acan baheula-ba-
heula teuing atuh éta mah. Tapi
papadaning kitu ari katineungna mah
manteng.
Komo deui katineung ka Situ
Aksan meureun nya. Cacak lamun
anu jadi walikota Bandung ayeuna
keur budakna kungsi paparahuan di
Situ Aksan, teu mustahil lamun
hayang nyukcruk deui ari perenahna
Situ Aksan ayeuna di lebah mana.
AM
Nyandak Hikmahna
Assalamu’alaikumWr.Wb.
Sampurasun!
Daramang Ais Pangampih
Manglé? Hatur nuhun pami
daramang mah, éta nu di-
piharep ku urang Sunda
sadayana.
NyiManglé,puntenngiring
nyerat ngalangkungan Manglé,
perkawis pésta démokrasi nu
kamari tos lekasan. Atuh
hasilnaogétoskabandunganku
urang sadayana.
Éstu pilihan téh masalah
dunya. Hartina, upama dunya
saukur sandiwara, nya kitu
deui, démokrasi ogé hakékatna
mah mung saukur sandiwara,
jieunan jelema. Ku kituna, nu
meunang ulah adigung, nu teu
meunang ulah leutik haté.
Komo upama ditilik tina
agama mah, apan nu meunang
mah can tangtu jalan nu hadé,
kitu deui nu éléh can tangtu
gagal. Sabab nu ngaranna
hirup mah, pasti robah jeung
deui ukuranana lain meunang
jeung éléh démokrasi. Aya
patokan nu mulya atawa nu
meunang cék ukuran agama
mah, nyaéta nu takwa. Jalma
nupangmulyanatéhlainnunu
meunang ka senayan, tapi
jalma nu takwa. Ari jalma nu
takwa téh, sidik lain kudu ka
senayan baé.
Tah, simkuring mah, nité-
nan seueur pisan urang lembur
nu ‘gagal’. Padahal, cék irongan
mah, urang lembur téh nu
pangapalna kana kaayaan
lemburna. Copélna, leuwih
pantesnumareunangtéhurang
lemburna sorangan. Tapi
kumaha buktina? Mahiwal
pisan. Nu meunang batur,
urang lemburna mah, teu meu-
nang.
Naha teu meunang éta
kudu jadi pasualan? Keur uku-
ran dunya mah, jiga wirang.
Tapi keur ukuran agama mah,
teu kitu. Lantaran, disatuka-
ngeun kajadian nu tumiba ka
manusa, Alloh nu Maha
Uninga, manusa moal apal,
naon hikmah satukangeun nu
geus dilakonan. Moal aya
saurang ogé nu apal kana
kajadian nu piéngkéeun.
Upama waé, nu meunang
bakal pialuseun, meureunan
moal aya kajadian anggota
DPR asup ka pangbérokkan.
Tah, meureunan kitu nu teu
meunang ogé, boa-boa ku
Alloh téh ditangtayungan,
sangkan ulah ka dinya, lan-
taran pibahlaeun keur dirina
atawa keur baturna.
Kitu deui nu mareunang,
lain hartina kudu asa urang
panghadéna, asa urang pang-
pinterna. Sabab, nu mareu-
nang téh, lain ngaliwatan ujian
tés nu jelas ukuranana, tapi nu
mareunang téh, ukuran jalma
nu milih. Upamana waé nu
milihna nu barodo, atuh hasil
pilihan gé moal hadé. Hartina,
nu meunang ulah ngarasa
pangpunjulna, lantaran boa-
boa nu milihna jalma nu mé-
mang nu teu apal, saha
sabenerna nu pinter jeung
hadé téh.
Sakitu waé, ieu serat
kasanggakeun ka rumpaka
Manglé. Mugi tiasa kamuat
sareng kaaos ku balaréa mitra
Sunda dimana waé ayana.
Hirup Sunda! Hurip
Sunda!.
Wassalam,
Pa Burhan
Ti Cileunyi Bandung
Manglé 24754
KKoropak
Majalah Manglé
Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan
PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.
Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé
Jalan Lodaya No. 19 Bandung.
Telepon 022-7303438,
Hp. (Tuti) 0857 21307232
1.Bentang Lapang
Rp. 20.000,-
2.Dulag Nalaktak
Rp. 15.000,-
3.Pileuleuyan
Rp. 15.000,-
5Manglé 2475
TTamu
J
adi ketua Korpri Jawa Barat,
Dr. Ikke Dewi Sartika, M.Pd.,
boga angen-angen. Lian ti
ngaraharjakeun anggota, ogé
ngaronjatkeun ajénna. “Sanés
pamohalan Korpri gé tiasa
medalkeun nagarawan-nagarawan
nu tiasa diandelkeun,” pokna muka
wangkongan.
Ngobrol téh di Kantor Korpri
Jawa Barat, jalan Turangga, Ban-
dung, sawatara waktu ka tukang.
Dina suasana satutas pilihan
umum, obrolan gé di antarana tu-
mali jeung kapamingpinan, nu ceuk
Hj. Ikke mah, ajén-inajén paming-
pin téh bakal kacida mangaruhan-
ana kana kamajuan ieu bangsa.
Dina mangsa ngagederna pili-
han pamingpin, pagawé nagri mah,
ceuk Hj. Ikke, nétral. Teu cueut ka
nu hideung teu ponténg ka nu
konéng. Pancén gawéna, éstu
ngabdi ka nagara katut bangsa. Ku
lantaran kitu, dina pilihan umum
gé korpri mah teu pipilueun kana
pulitik, tigin kana pancénna ngabdi
ka masarakat.
Pentingna Pamingpin
Dina saban ganti kapamingpi-
nan, saperti lima taunan, loba
pihak nu ngangluh. Cenah,
Dr. Ikke Dewi Sartika, M.Pd.
Mukakeun Jalan Nagarawan Jalur Korpri
Korpri gé bisa jadi nagarawan. Kitu ceuk Dr. Ikke Dewi
Sartika, M.Pd. Ngan, kumaha carana? Tah, perkara éta
nu jadi jejer obrolan Manglé, jeung Ketua Dewan Pengu-
rus Korps Pegawai Republik Indonesia (Korpri)
Propinsi Jawa Barat téh.
***
Dr. Ikke Dewi Sartika, M.Pd., Ketua Korpri Jawa Barat
lolobana mah, pamingpin kiwari
téh ‘pulitisi’ nu leuwih kentel pulas
partéyna batan kanagarawanana.
Tumali jeung anggapan kitu, tangtu
kudu aya jawaban anu jinek.
Kumaha narékahanana, sang-
kan medal pamingpin nagarawan?
“Nu penting mah, masing-masing
pihak kedah gaduh karep kanggo
ngiring ngungkulan éta pasualan,”
pokna.
Mémang, cenah, nyekel pancén
naon waé ogé kudu ku ahlina.
Komo deui ngurus nagara jeung pa-
maréntahan, kudu nu bener-bener
mampuh ngalaksanakeun pancén-
na. “Tah, kanggo janten nagarawan,
tangtosna ogé kedah ditataharkeun
ti anggalna,” ceuk ieu teureuh Ban-
dung teh.
Ceuk pikir Hj. Ikke, pagawé
nagri gé bisa jadi pamingpin, ka
dituna bisa jadi nagarawan.
Pamanggihna kitu, didadasaran ku
kanyataan, pagawé nagri téh loba
kacida sarta SDM-na deui teu bisa
dimomorékeun. Nilik kana atikan
formalna, lulusan program doktor
gé ngaleuya naker. “Kantun
ngabina sareng masihan lolong-
krang salega-legana sangkan tiasa
mekarkeun kamampuhanana,”
ceuk ieu doktor widang pendidikan
teh.
Nilik kana pancénna, pagawé
nagri téh icikibung dina rupa-rupa
widang, kaasup pamaréntahan.
Kituna téh, sumebar di saban
tingkatan. Hartina, néangan
pamingpin ti golongan pagawé
nagri mah moal hésé. “Piraku tina
sakitu seueurna pagawé nagri taya
nu kapilih janten pamingpin, kale-
bet kanggo kapentingan nasional,”
pokna.
Geusan ngawujudkeun angen-
angenna, Hj. Ikke boga léngkah.
Ngimeutan kalayan gemet sakumna
pagawé nagri nu aya di lingkungan-
ana. Nu témbong nyongcolang di-
catet, jeung ‘dicirian’. Atuh, mun
teu langsung pihak Korpri Jawa
Barat ngimeutan pribadi-pribadi
pagawé nagri téa, bisa waé ménta
data ka diklat-diklat nu biasa ngatik
para pagawé nagri. Sanggeus
ngumpulkeun datana, léngkah
saterusna mah, ‘mekelan’ nu
parunjul téa ku pangaweruh sual
kapamingpinan nu leuwih jembar.
Keur ngatikna, moal hésé, da
bisa gawé bareng jeung rupa-rupa
instansi, kaasup paguron luhur nu
boga ahli dina rupa-rupa widang.
Cindekna, karep ngabibitkeun
nagarawan ti jalur Korpri téh kari
prakna!
Ngawangun jiwa kapamingpi-
nan Korpri Jawa Barat, ceuk Hj.
Ikke, ngadumaniskeun panga-
weruh luar jeung nu nyampak dina
kapamingpinan Sunda. Da, écés,
pamingpin-pamingpin Sunda ba-
heula gé loba nu punjul nu kagam-
bar dina hasilna, mampuh
ngaraharjakeun masarakat kalayan
sohor wawangina nepi ka kiwari.
Kamampuhan pamingpin kawas
kitu, lantaran dina mingpin téh
jinek ugeranana, saperti di antara-
na kagambar dina babagian
pancénna, aya Resi, Rama, jeung
Ratu. Tilu kapamingpinan kawas
kitu, téh jinek selang-surupna
kalayan henteu pacorok pancén
gawéna. “Kapamingpinan Sunda
sapertos kitu, kedah teras-terasan
diguar, diwanohkeun ka para
pamingpin atawa calon pamingpin
kiwari,” ceuk ieu wanoja nu lahir
taun 1960 téh.
Kapamingpinan Sunda, ku Hj.
Ikke mah, lain ukur diwanohkeun
ka Korpri Jawa Barat, tapi rék di-
wanohkeun ka balaréa, dina
masamoan tingkat nasional, dina
Munas Korpri 2014. Ieu Sekretaris
DPP Korpri Jawa Barat ngarasa
gedé haté, yén sari pati
kapamingpinan nu jadi banda bu-
daya Tatar Sunda, payus dipiwanoh
jeung baris mangpaat keur balaréa.
Pamingpin nagarawan, mémang
kudu ditataharkeun ti anggalna.
Kituna téh, sangkan masagi, ceuk
urang Sunda mah. Da, kangaranan
pamingpin komo deui keur
mangaruhan masarakat sakumna,
butuh karakter nu kuat, boh nu tu-
mali jeung pangaweruh ogé moral
atawa étikana.
Dina ngagambarkeun penting-
na ajén-inajén pamingpin, Dr. Ikke
Dewi Sartika, M.Pd., nyontokeun
Lee Kwan Yew, basa jadi Perdana
Menteri Singapura. Eta pamingpin
téh mampuh ngayakinkeun
masarakatna bisa leuwih maju. Bisa
satata jeung nagara-nagara deu-
ngeun nu leuwih maju. Geusan
nyundut sumanget rayatna, inyana
ngabagikeun kartu pos salah sahiji
gambar kota di Swiss anu sakitu
resikna. Tangtu wé, teu ngan ukur
dibéré gambar rahayat téh, da
saterusna mah aya upaya-upaya nu
jinek sangkan warga éta nagara
boga kasadaran kana pentingna
miara lingkungan. Intina, harita éta
perdana mentri téh keur nyoba-
nyoba ngawangun karakter padu-
muk Singapura sangkan leuwih
boga kasadaran ngamajukeun
bangsana. Hasilna kasaksén, najan
éta nagri teu beunghar ku sumber
daya alam (SDA), tapi ku lantaran
karakter sumber daya manusa
(SDM) pinunjul, ahirna angen-
angen Perdana Menteri Lee Kwan
Yew téh tinekanan, éta nagri jadi
salahsahiji bangsa anu kuat, suhud
baranggawé, nalingakeun lingku-
ngan, disiplin, tur taat kana aturan.
Bangsa nu pageuh nyekel
budayana tapi teu ‘nutup’ diri tina
pangaweruh luar, loba nu maju.
Contona, bangsa Cina,
masarakatna ngeukeuhan budaya-
na kalayan tetep daék narima
pangaruh luar anu hadé. Tina
conto-conto bangsa deungeun nu
maju ku cara napak kana budayana,
bangsa urang gé bisa nyonto kaa-
sup nu tumali jeung kapamingpin-
ana.
Nguatan karakter bangsa, ceuk
Hj. Ikke, bisa ngaliwatan budaya.
Malah, nya budaya nu ngakar tiba-
heula bisa jadi pamiangan geusan
ngudag kamajuan. “Korpri Jawa
Barat kedah wanoh kana budaya
milikna pribadi,” pokna.
Manglé 24756
TTamu
Maksudna, lian ti apal tur
wanoh kana pangaweruh nu jolna ti
luar, sawadina deuih urang Jawa
Barat mah, kudu wanoh kana bu-
daya bandana sorangan. Kitu deui,
kapamingpinan warisan karuhun
Jawa Barat, payus jadi cecekelan
para pamingpin kiwari.
Ti mangsa ka mangsa, urang
Sunda boga pamingpin. Tapak
lacak kapamingpinan baheula, loba
kénéh nu bisa dipaké. “Larapna
bisa adumanis jeung kapamingpi-
nan nu jolna ti mana waé kaasup
produk Barat,” pokna tandes naker.
Budaya, ceuk Hj. Ikke lain ukur
kasenian, tapi ogé tamperan
gagasan nu nyangkaruk dina pipiki-
ran manusa Sunda. Atuh, medalna
éta pipikiran téh kaasup ogé nu tu-
mali jeung paripolah. “Kalebet
moral sareng étika nu janten
ugeran hirup kumbuh sadidinten,”
ceuk ieu Sekjen FORMI Jawa Barat
teh
Nguatan budaya, di antarana,
bisa ngaliwitan senina. Atuh, di
Korpri Jawa Barat gé, nu biasana
unit kasenian téh paduan
suara/vocal grup, saterusna mah
dieuyeuban ku kasenian Sunda.
“Apan ayana ge di Tatar Sunda,
atuh payus mun dina unit kagiatan
kasenian gé aya seni Sunda,” ceuk
ieu Sekjen Pamanah Rasa Nusan-
tara téh.
Ngagedurkeun Sumanget
Ngabdikeun diri ka bangsa
katut nagara, ceuk Hj. Ikke mah,
pilihan profesi. Tangtu, kudu
dituturkeun ku tanggung jawabna.
Patékadan kitu, digedurkeun ka
sakumna Korpri Jawa Barat.
Hartina, dina ngalaksanakeun
naon baé kudu tetep boga
sumanget nu ngabebela. Tah,
sumanget kitu téh, teu burung
némbongkeun hasil. Apan,
sawatara waktu ka tukang, Korpri
Jawa Barat jadi juara umum Por-
nas Korpri XIII, nu lumangsung di
Manado. Dina éta kagiatan Korpri
Jawa Barat, meunang emas tujuh,
perak opat, jeung parunggu tilu.
*** (Tim Mangle)
7Manglé 2475
Napakkeun Korpri kana aturanana
Upaya Korpri ngaraharjakeun anggotana
Korpri Jawa Barat remen pinunjul di tingkat nasional
P
asantrén jeung urang Sunda
kacida dalitna. Kitu téh, lan-
taran pasantrén nyampak
méh di saban tempat. Tapak lacak-
na bisa kénéh kabandungan nepi
ka ayeuna. Najan pasantrén di éta
tempat geus ‘sirna’, ngaran
tempatna mah sohor kénéh, saperti
Kampung Pasantrén, Lembur
Pasantrén, Babakan Pasantrén,
jeung sajabana.
Pasantrén hadir di tengah-te-
ngah masarakat. Kacatet dina batin
urang Sunda. Remen kacatur dina
rupa-rupa carita, saperti dina
wawacan, novel, carpon, jeung
sajabana. Éta téh, salah sahiji cici-
rén, Sunda jeung pasantrén dalit
naker.
Peran pasantrén gé natrat ti
mangsa ka mangsa. Loba andilna
dina rupa-rupa widang kaasup
milu bajuang ngalawan penjajah.
Aya conto nu karékam ku sajarah,
saperti Pasantrén Sukamanah,
Tasikmalaya. Apan éta lembaga
atikan nu dipingpin ku KH. Zaenal
Mustafa téh, taun 1944, teuneung
ngalawan tentara Jepang nu
samagreng pakarangna.
Kaludeung kawas kitu, jadi
kaagulan umat Islam di tatar
Sunda jeung di mana waé ayana.
Da, bukti apan, éta pasantrén téh
jinek dina adeg-adeg, wani
nanjeurkeun harga diri demi umat
jeung rahayat.
Dina kahirupan sapopoé,
pasantrén jadi andelan balaréa.
Rahayat sabudeureunana, anut
naker ka pasantrén téh. Apan,
rupa-rupa urusan, pangpangna
mah, nu tumali jeung kayakinan
agama, ‘kiblatna’ téh pasantrén.
Pakalangan Pulitik
Pasantrén lain ukur tempat
santri tolab élmu, tapi deuih
pangauban masarakat sabudeu-
reunana. Pingpinan pasantrén,
ngajangelek jadi panutan
masarakat nu digugu jeung ditiru.
Nilik kana kalungguhan pasantrén
kawas kitu, teu anéh upama éta
lembaga téh pada ‘ngamangpaat-
keun’ kaasup ku pihak-pihak nu
hayang boga kakawasaan ku cara
ngumpulkeun sora pangrojong ti
masarakat.
Manglé 24758
LLaporan
Prof. Dr. H. Deddy Ismatullah, SH., M.Hum., Rektor UIN SGD Bandung
Pulitisi riab ka pasantren, ménta restu jeung sora umat. Ngan,
upama pasantrén jadi pakalangan pulitik, nguntungkeun atawa
sabalikna?
***
Pasantren,
Ulah Jadi Kaulinan Pulitisi
Mémang, pasantrén téh
puseurna atikan. “Hususna
kanggo nyitak ulama-ulama
pinunjul nu mampuh ngawangun
karakter nu hadé,” ceuk Prof. Dr.
H. Deddy Ismatullah, SH.,
M.Hum., Rektor Universitas Islam
Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati
Bandung.
Pangaruh pasantrén, ceuk ieu
Rektor UIN lega pisan. Ku lantaran
kitu, nu hayang boga pangaruh ka
masarakat gé, teu arang
ngamangpaatkeun pasantrén. “Teu
sakedik, pasantrén nu teu mampuh
ngigelan politik. Nya, upama kitu
kanyataanana, bakal kacida rugina
keur éta pasantrén, sabab bakal
turun darajatna,” pokna.
Ayana pasantrén saperti kitu,
mémang teu bisa digitik rata atawa
disakompétdaunkeun. Nu tetep
ajeg kana adeg-adeg gé teu kurang-
kurang. “Ngan, henteu saeutik
pasantrén nu ‘kaséséréd’ ku poli-
tik,” pokna.
Nu kagugusur ku pulitik, nu
ahirna jadi pakalangan pulitik
mah, ceuk ieu pingpinan UIN SGD
Bandung téh, moal ajeg
tangtunganana. Malah, ahirna mah
ukur dimangpaatkeun ku pihak-
pihak nu hayang meunang untung
tina deukeutna ka pasantrén.
“Tah, ayeuna loba pasantrén nu
jadi ‘pangulinan politik. Ngan
saukur keur nyumponan kabu-
tuhan dangka pondok atawa
saukur pédah rék narima sumba-
ngan,” ceuk ieu pingpinan Pondok
Pasantrén Gunung Puyuh Suka-
bumi téh.
Ceuk panitén Prof. Deddy,
raketna pasantrén jeung dunya
pultik, bisa mahala-mahayu. Lebah
dinya mah gumantung kana jeng-
lengan pangurus pangpangna mah
pingpinan éta pasantrén. “Leu-
heung lamun éta pasantrén bisa
ngigelan politik. Kumaha lamun
henteu, saha nu rugi?” pokna semu
nanya.
Upama kanyataanana kitu, nu
rugi mah umat Islam. Lantran
bakal kaceluk, ieu umat téh ‘prag-
matis’ atawa ukur kabita ku nu
sipatna saharitaeun. Kitu ceuk ieu
panitén Islam, nu dileuleutik di-
gedékeun di lingkungan pasantrén
Syamsul Ulum Sukabumi témbrés.
Panyabaan Pulitisi
Dina mangsa pilihan umum,
sora rahayat téh jadi andelan. Ku
lantaran kitu, pihak-pihak nu jadi
panutan masarakat gé teu weléh
dideukeutan. Pasantrén remen jadi
panyabaan pajabat jeung pulitisi
dina mangsana pileg jeung pilkada.
Nya kitu deui, nu nataharkeun
pingpinan nasional saperti keur
mapag pilihan presidén, pasantrén
gé jadi ‘agenda’ nu biasa didata-
ngan!
“Nu sowan ngadadak henteu
salah. Da, pasantrén nu boga jati
diri mah, tangtu bakal daék narima
sémah najan saha waé ogé. Ulah
déngdék, ulah cueut ka nu hideung
ponténg ka nu konéng. Hartina,
ulah ngawilah-wilah tokoh politik,”
pokna semu ngingetan.
Maksud Pa Rektor, pasantrén
mah kudu ajég dina tatapakan.
Ulah unggut kalinduan, ulah gedag
kaanginan. “Upama pasantrén
geus déngdék ka hiji pihak, bakal
ngarugikeun umat Islam
sakumna,“ pokna.
Dina nyaritakeun kapaming-
pinan Islam, Rektor UIN gé teu
meungpeun carang. Mémang,
cenah, loba inohong Islam nu jadi
pamingpin. Tapi, kamampuhna téh
ukur keur sabudeureunana. Misal-
na waé ukur mingpin lembaga
atawa organisasina. Padahal,
cenah, padika dina Islam mah,
wajib hukumna, munculkeun
pamingpin téh. “Ieu krisis umat
Islam tina balukar umat Islam ku-
rang bisa ngigelan kaayaan,” pokna
semu hanjakal.
Ku lantaran kitu, ceuk Prof. Dr.
H. Deddy Ismatullah, SH., M.Hum,
pasantrén ulah jadi ‘kaulinan’ puli-
tisi. Carana? balik deui kana
pancénna, pasantrén kudu ajeg,
geusan nyitak ulama linuhung nu
bisa nyaangan umat sakumna. ***
(Tim Manglé)
9Manglé 2475
Pasantrén tempat pangauban masarakat sabudeureunanaPasantrén kudu ajeg nyitak ulama-ulama pinunjul
keur ngawangun karakter hadé
Manglé 247510
D
ina Pikiran Rakyat poe Senen
tanggal 21 April 2014 dibejakeun
aya 30 Caleg burung (caleg nu
teu jadi anggota dewan, boh DPR, DPRD
Propinsi atawa DPRD Kota/Kabupaten)
dirawat bareng jeung Sumanto (jelema
nu nu sok ngadaharan mayit, meunang
ngabongkaran ti astana tea, urang Kabu-
paten Purbalingga, Jawa Tengah.
Dina basa Sunda, kecap “burung”
bisa digunakeun dina dua harti, kahiji
“burung” hartina teu jadi atawa gagal,
contona “tangkal buah teh pentilna
leubeut pisan, tapi loba nu burungna,
hartina loba pentil buah nu gagal teu jadi
buah”; kadua “burung” hartina owah
atawagelo.Jelemateh“burung”suganda
soknorowecosorangan,atawasura-seuri
sorangan, kade ah ulah dideukeutan bisi
ngarogahala.
Dina Pikiran Rakyat tea oge dibeja-
keun yen tempat 30 Caleg burung nu
ngarandapan stress (kaganggu jiwana)
dihijikeun jeung tempat Sumanto di-
rawat. Mun gangguan jiwana pohara,
ceuk KH. Supono, pangurus rehabilitasi,
sok ngamuk, ku kituna waktu rehabili-
tasina oge leuwih lila. Mun kaayaan kitu
meureundisebutnakawasjelemaburung
(owah atawa jelema kurang saeundan –
ceuk babasan urang kampung mah).
Naha bet nepi ka kitu? Sakumaha nu tos
kanyahoan ku urang sarerea, sing saha
nu rek nyaleg kudu tatan-tatan tina
sagala rupana, lain bae elmuna nu kudu
cukup, tapi oge dina widang modal teu
bisa ngan saukur modal dengkul
wungkul, kudu boga modal mu cukup,
lantaran loba hal nu kudu dimodalan.
Loba diantara Caleg, sangkan kapilih aya
nu nepi ka bebeakan boh duit, imah di-
jual, tanah dijual, nganjuk-ngahutang
pikeun ongkos kampanyeu, nyieun
baligo, nyieun selebaran, nyumbang
kagiatan sosial, nyumbang pasantren,
nyumbang masjid, ngayakeun panga-
jian/istigosah, nyumbang panti asuhan-
yatimpiatu,encanngabagikeunduitdina
waktu samemeh nyoblos. Harepanana
mun kapilih jadi anggota dewan, ceuk
pikiranana loba kasempetan pikeun nga-
ganti sakabeh pangaluaran, loba cara nu
bisa diusahakeun. Eta pangaluaran teh
bakal kabual deui, malah ceuk itungana-
na bakal leuwih – aya untungna.
Maranehna ningali kanu enggeus-
enggeus, Caleg-caleg nu geus jaradi
anggota, boh DPR, DPRD Propinsi,
atawa DRRD Kota/Kabupaten,
katingalina imahna jadi alagreng, mobil-
na aralus (mewah), hirupna sarenang,
malah aya oge nu pamajikanana leuwih
ti hiji, artis-artis oge loba nu kabongroy
ku para anggota dewan teh. Sanajan
ahirna loba oge nu katohyan ku KPK, ka-
paksa ngaringkuk di bui, tapi ceuk
pikiranana eta mah sial we, kurang rintip
migawena.CeukcohagnamahparaCaleg
tehestupragmatispisan,henteuayabau-
bau didasaran ku moral/agama saperti
jadi anggota teh estuning amanat rayat
nu kudu dilaksanakan kalawan jujur,
pinuh ku rasa tanggung-jawab ka
Pangeran Allah Nu Maha Kawasa katut
ka sakabeh rayat, lain cara pikeun nea-
ngan kauntungan pribadi atawa golo-
ngan. Ku kituna, dina ngilu nyaleg teh
estu pasrah bari tawakal ka Gusti, kapilih
sukur teu kapilih oge sukur da sakitu
beuratna tanggung-jawab dunya aherat,
meureunGustinyaaheunkenehkaurang
- bisi tisoledat.
Lantaran harepanana kana kasena-
ngan – kauntungan wungkul nu bakal
kapanggih mun jadi kapilih, lain niat
ibadah, niat ngabela kapentingan rayat,
niat ngaronjatkeun nasib rayat,
ngaleungitkeun kamiskinan jeung
pangangguran, atuh puguh we nalika
ahirna teu kapilih alias burung jadi
anggota dewan maranehna ngarasa han-
deueul pisan. Padahal maranehna geus
bebeakan harta-banda, tanaga, waktu
pikiran, jste, Oge manehna ngarasa
kawiwirangan (era) ku tatangga, ku
babaturan, mikiran harta-banda geus
beak, hutang ngahunyud - geus ka-
sawangbakalrabulnunaragih,ditambah
kaimanan hengker, sakabeh usahana teu
dibarengan ku kaihlasan (da niatna ge
lain rek ibadah), atuh pantes pisan mun
rek ngagerebeg oge, jiwana kaganggu
(stress), kaganggu kasaimbangan jiwana,
nepi ka aya oge nu “burung” (gagal) jadi
anggota dewan teh, aya nu bener-bener
jadi jelema “burung” (owah). Mun teu
kitu, loba nu kalakuanana jadi araneh,
jalan nu tadina dibikeun keur kapenti-
ngan warga – ngadadak ditutup deui –
teumeunangdipake,sumbangannugeus
dibikeun dicokot deui (siga nu di Banjar),
jste.
Nu 30 Caleg burung jeung tim sukses
na tea bareng jeung Sumanto ngilu prog-
ram rehabilitasi mental, sosial, dan
narkoba, nu pusatna di Desa Bungkarel,
Kecamatan Karanganyar, Purbalingga.
Sumanto jeung 30 Caleg burung tea
sok sanajan di ubaran ku tim nu sarua,
tapi pikeun para Caleg burung jeung tim
suksesna tempatna dipisahkeun ti nu
keur ngarandapan panyakit masyarakat
(sosial, narkoba). Di tempat nu anyar ieu
geus aya 300 urang nu ngarandapan
stress nu keur direhabilitasi lantaran
pepegatan cinta, kalungguhan (jabatan)
teu naek-naek, usahana bangkrut, jeung
cita-citanateukatedunan.ParaCalegbu-
rung jeung tim sukses rek ditempatkeun
di Wisma Singgah, Kacamatan Karang-
reja, Purbalingga. Ceuk KH. Supono,
pangurus Wisma, mun gangguan jiwana
henteu beurat bisa diubaran antara 3-5
poe, tapi mun depresi beurat leuwih lila,
lantaran sok mindeng ngamuk.
Jadi teu mustahil asalna “Caleg bu-
rung”, mun stress/depresi kacida beurat-
na mah bisa jadi “jelema burung” alias
owah alias kurang saeundan tea.
Naudzubillahi min dzalik.
Bandung, 22 April 2014
E. Saefullah Wiradipradja
Gurubesar Hukum Internasional
Unpad/Ketua Pusat Studi Sunda
CalegBurung
KuE.SaefullahWiradipradja
BBahasan
R
esep kana pulitik téh, sakadar keur nam-
bahan kaweruh. Lain keur ancrub kana
widang pulitik praktis. Jadi anggota
législatif atawa aktivis partéy, upamana. Ngan
ari jadi “tukang ngaramékeun” mah, kungsi.
Dina pemilu taun 1971, ngadukung partéy Nah-
dlatul Ulama (NU) nu harita jadi kontéstan
bareng jeung salapan kontéstan séjén : PNI, Par-
musi, PSII, Perti, Parkindo, Partai Katolik, IPKI,
Murba (kabehanana kungsi makalangan dina
pemilu taum 1955). Tambah wé “jagoan anyar”,
Sekber Golkar.
Ngadukung partéy NU, lantaran hirup di
lingkungan NU, tur keur sakola di SPGN Garut
(1964-1967) kungsi ilubiung dina organasisai
“Nahdliyin”, kayaning IPNU jeung GP Ansor.
Turug-turug, aya sawatara “senior” di NU,
milu nyaleg. Di antarana Drs.Hafidz Usman
(ayeuna Ketua MUI Jawa Barat). Milu maturan
anjeunna kampanye ka suklak-sikluk pilembu-
ran. Ka Bungbulang (pakidulan Garut), Cibugel
(Kab.Sumedang), jsb. Alhamdulillah, Pa Hafidz
kapilih jadi anggota DPRD Jabar 1971-1977 ti
fraksi NU.
Lantaran kuring harita PNS Guru SD, atuh
jadi masalah pisan ngadukung partéy NU téh.
Sabab sakur PNS harita diwajibkeun ngadukung
Sekber Golkar. Dalah rayat biasa gé dikeprak
kudu milih ”Caringin”. Nu mantangul, réa anu
ditampiling ku babinsa, hansip, atawa kepala
désa.
Kungsi aya aparat kacamatan, ngancam
rék mecat. Cenah, naha PNS nu digajih ku pa-
maréntah, ari nu didukung partey politik, lain
Sekber Golkar.
Dijawab kieu wéh :
“Sok pecat ayeuna kénéh. Kadieukeun SK
pamecatanana. Tong isuk tong pagéto. Ayeuna!”
Ngélémés dikitukeun téh. Malum aparat
kelas bucrit, lauk buruk milu mijah. Di dituna
mah hayang kapeunteun ku “atasan”.
Pemilu 1977, diiluan ku tilu kontestan.
Nyaéta Partai Persatuan Pembangunan (PPP),
nu mangrupa gabungan (fusi) ti partéy NU,
Parmusi, PSII, Perti. Tambah Partai Demokrasi
Indonesia (PDI) gabungan PNI, Parkindo, Par-
tai Katolik, IPKI,Murba. Jeung Sekber Golkar nu
embung disebut parpol, sok sanajan ngalakonan
prakték pulitik. Milu pemilu, nempatkeun wakil
di lembaga législatif, jsb. Nepi ka ayeuna taya
katerangan naon sababna harita (1971-1997),
Golkar disebut lain parpol. Para ahli politik gé
tara aya nu (wani) ngajelaskeun. Kakarék
sanggeus reformasi (1998), Golkar robah jadi
Partai Golkar.
Dina pemilu 1977 téh, ngadukung PPP, lain
pedah NU jadi bagian PPP. Tapi aya alesan
sejen. Nyaéta ngalawan ”kampanye” aparat
pamarentah ti puseur nepi ka daérah nu
ngudukeun rayat milih Golkar. Bari ngalarang
milih partéy. Cek pamikir, ongkoh kontéstan aya
tilu, tapi nu dipilih kudu ngan hiji.
Bisi enya kajadian partéy euweuh nu milih,
nya ngadukung PPP. Terang-terangan deui baé,
kawas pemilu 1971. Sarua deuih mindeng meu-
nang ancaman. Tapi réréana mah tukangeun
jeung ukur gos wungkul. Ngahaja-haja
aduhareupan mah teu wanieun Ukur tingpélétét
maling-maling deuleu. Némbongkeun kacuan
ka PNS Guru SD nu mamaké kaos “Ka’bah”
(lambang PPP). Henteu “Caringin”.
Alhamdulillah, ari diluluguan mah, teu bu-
rung réa nu milih partey teh Hususna PPP.
Malah di lembur, “Ka’bah” unggul. Ngéléhkeun
“Caringin”. Puguh wé Kadés murang-maring da
cenah ditegor ku Camat, Camat ditegor ku Bu-
pati, babinsa ditegor ku Koramil, jst. Duka enya
duka bustam. Padahal ari ulah mah milih par-
pol, geus wé pemilu téh sina diiluan ku Golkar
wungkul. Ambeh meunang kabéh
Pamanggih kitu dihaminan ku Kadés, bari
culang-cileung. Sieun aya nu ngabéjakeun ka
camat, kawasna.
Milu ngarojong PPP saban pemilu, lumang-
sung nepi ka pemilu taun 1997. Tina PNS,
kaluar, sanggeus dipindahkeun jadi Kepala Seksi
di Dinas P dan K prov.Jabar, taun 1983, tanpa
pensiun. Terus digawé di mass média (Pikiran
Rakyat). Puguh wé unggal usum pemilu, sok
pada “ngabaeudan”. Pédah sakur anggota Per-
satuan Wartawan Indonesia (PWI) kudu
ngadukung Golkar. Atuh ti lingkungan “PR” aya
unsur pingpinan nu meunang jatah jadi anggota
législatif ti Golkar.
Tapi teu dianggap. Papaharé wé. Da taya
aturanana dipecat pédah ngadukung parpol.
Komo di pausahaan pérs nu sakuduna indepen-
den. Alhamdulillah, salamet nepi ka pangsiun
taun 2004, teu kungsi meunang surat
peringatan surat peringatan acan tina urusan
pilihan poitik.
Taun 1998, reformasi. UU nu ngatur kon-
téstan pemilu “dua parpol dan satu Golkar” di-
cabut. Burudul téh parpol anyar lahir. Teu béda
ti supa usum hujan.
NU ogé ngalahirkeun Partai Kebangkitan
Bangsa (PKB). Dipingpin langsung ku KH
Abdurahman Wahid (Gus Dur) nu harita jadi
Ketua Umum PBNU. Réa babaturan ngajak ka
PKB. Nya miluan. Malah jadi salah saurang
pangurus di Déwan Pimpinan Wilayah (DPW)
PKB Jawa Barat. Tur kacatet jadi salah saurang
calég PKB keur DPRD Prov.Jabar ti Kab.Garut.
Tapi da teu jeung haté. Jadi calég teh tara
kampanye, tara ngawur-ngawur “money
politic”. Sahayuna wé. Nu matak, basa bérés
Pemilu 1997, PKB meunang 5 korsi DPRD
Prov.Jabar, aya sésa sora dua korsieun deui,
dibikeun ka batur. Padahal sésa sora
panggedéna ti Garut.
Saminggu tas pemilu, pamitan ka pangu-
rus PKB Jabar, moal ilubiung deui dina struktur
kapangurusan. Teu luyu jeung haté.Lain habitat
nu merenah.
Tapi ari kana politik mah angger
resep.Angger nuturkeun kamekaranana. Malah
rarasaan, leuwih segut diajar jeung leuwih nyaho
batan politikus nu dariuk di législatif.
Mungkin pangaruh keur mangsa rumaja.
Keur sakola di SPGN Garut, sok pirajeunan milu
kana “kursus politik” nu harita hirup tur ramé.
Kursus politik Islam, lumangsung di bumi KH
Prof.DR.Anwar Musadad, Jl.Ciledug. Diiluan ku
para kekentong NU, ulama pasantrén, jsb. Nu
marilu di dinya, engkéna réa nu jaradi “poli-
tikus” di législatif. Saperti Pa Omo Suntama, BA
(guru SPGN Garut) nu jadi anggota DPRD
Garut ti NU/PPP (1971-1987), Maksum Jailadri
(anggota DPRD Garut/DPRD Jabar/DPR RI ti
PPP), Enas Mabarti (anggota DPRD Garut ti
PPP), jrrd.
Kursus politik nasionalis, di bumina Pa
Burhan Mustapa, Jl.Bank 14. Nu marilu di
dinya, réréana kader nasionalis (PNI) jeung
sosialis (PSI). Salah saurang putra Pa Burhan,
Awan Karmawan Burhan, ti taun 1971 jadi
anggota DPR RI ti Golkar. Malah terus
sababaraha periode bari ngarangkep jadi pangu-
rus DPP Golkar. Atuh Pa Sopandi Wiradinata
(guru SPGN Garut), jadi anggota DPR RI ti
Golkar th.1971-1977. Kitu deui, Jajang Kurniadi,
guru SMPN Garut, kungsi jadi anggota DPRD
Jabar ti PDI Perjuangan(1999-2004).
Mungkin masih kénéh aya tempat kursus
politik sejenna di Garut. Ngan teu kungsi
kailuan. Upamana baé kursus kader komunis,
nu ceuk béja sok diayakeun di gedong bioskop
“Chung Hua Chung Hui” (Sumbersari) ku
lingkungan Baperki (katurunan Cina).
Kurus politik di Garut, mémang boga sa-
jarah nu kawilang heubeul .Geus jadi tradisi
wedel. Taun 1920-an, Syarikat Islam (SI), min-
deng ngayakeun “pahadréng” (verhadring).
Samodél seminar atawa diskusi. Sajaba ti di-
hadiran ku para simpatisan SI sa-Garut, sok di-
hadiran ku para kekentong SI puseur. HOS
Tjokroaminoto, Abikusno Tjokrosuyoso, jsb.,
kabéjakeun sering “turba” kana “pahadréng” di
Garut, nu sok diayakeun di Tanggulun
(Kac.Kadungora), atawa Dayeuhhandap (Garut
Kota). Harita di Garut geus aya kekentong SI ka-
mashur, nyaéta KH Jusuf Tauziri Wanaraja,
jeung KH Mustopa Kamil (Garut Kota).
Taun 1930an, di Kp. Seungkeu, Kac.
Banyuresmi, sok aya kursus politik kaum
sosialis. Diguguluan ku Wira jeung adina, Sastra.
Katelah “Wira Seungkeu”, kabéjakeun jadi “guru
spiritual” Sutan Syahrir, Perdana Mentri RI
munggaran, jeung Ketua Umum Partai Sosialis
Indonesia (PSI). Sastra kungsi jadi anggota
konstituante (MPR) fraksi PSI, hasil pemilu
1955. Kitu katerangan Rosihan Anwar dina buku
“Mengenang Syahrir” (1982). Ceuk sawatara
sumber lisan dina usum kampanye pemilu 1955,
Sutan Syahrir, dibarengan ku Achdiat Karta-
mihardja (pangarang novel “Athéis”) mindeng
mondok moék di Seungkeu.
Ayeuna mah, kawasna, geus euweuh nu
disebut tempat “kursus politik” di Garut téh.
Sabab pikeun jadi anggota legislatif kiwari, teu
perlu kursus politik atawa kaweruh politik. Nya-
leg jaman ayeuna mah,cenah, cukup ku paréa-
réa duit. Nu hatam politik gé éléh.***
KKolom
IlubiungdinaPulitik
KuH.UsépRomliHM
11Manglé 2475
Manglé 247512
NNyusur Galur
M
inggu pengker pedaran parantos dugi ka
nyarioskeun Purbasari ti Guru Minda ka-
gungan putra dua nyaéta Parbu Lingga-
hiyang jeung Prabu Darmarehe. Turunan ka genep
Prabu Damarehe nyaéta Prabu Darmasuci. Prabu
Damasuci kagungan dua putra nyaéta Bagawan
Garasiang jeung Prabu Darmasuci II Bagawan
Garasiang nu jadi patapan kagungan hiji putri nyaéta
Ratu Mayangkarana nu ditikah ku Guru Gantangan
putra Prabu Siliwangi.
Mayangkarana ti Guru Gantangan kagungan
putra Raden Ragamantri nu sohor ditelah Prabu
Pucuk Umum. Sajeroning kitu Darmasuci II nu
gelarna Sunan Talagamanggung ngasta kaprabon di
karaton nu henteu jauh ti Sangiang.
Nurutkeun sumber séjén nyaéta tina Babad Pan-
jalu disebutkeun yén Ratu Galuh Prabu Sanghiyang
Ciptapermana Dewa kagungan putra tilu nyaéta
Sanghiyang Ratu Permana Dewi, Sanghiyang Pong-
gang Sang Rumahiyang jeung Sanghiyang Bleg
Tambleg Raja Kuningan.
Saterusna dicaritakeun yén Sanghiyang Ponggang
Sang Rumahiyang nu mashur jenenganana Sang
Ranggamantri jeneng Raja di Talaga, sabada wapat
dipendem di Gunung Bitung Desa Wangkelang
Kacamatan Cikijing Kabupaten majalengka kiwari.
Kumaha Ceuk Babad Talaga?
Sabada Prabu Darmasuci henteu maréntah deui,
kuduna mah tahta dipasrahkeun ka putra cikal
nyaéta bagawan Garasiang. Tapi Sang Bagawan tetep
milih jadi patapa baé jeneng Resi, tatapana
sabudeureun bukit Garasiang teu jauh ti Sangiang,
maksudna sangkan élmu kaagamaanana beuki
jero, beuki beunghar ku elmu panemu. Kulantaran
kitu, waktu Prabu Darmasuci wapat, tahta karajaan
dipasrahkeun ka putra kadua nu mashur Prabu Ta-
laga Manggung, gelarna Prabu Darmasuci II. Dina
mangsa kakawasaanana, Karajaan Talaga ngahontal
puncak kajayaan, sabab geus mampuh ngawujudkeun
karajaan anu aman tengtrem, ma’mur , kerta ra-
harja. Kapunjul Prabu Talagamanggung digambar-
keun Raja sakti mandraguna, henteu terak ku
pakarang naon baé oge “ Nalika dibabarkeun ogé
geus nyandak pusaka karuhun nyaéta cis. Pati sang
Raja aya dina éta pusaka, parabot naon baé oge
moal teurak kana salirana iwal ti cis. Jadi ngan ku
pusaka éta Sang Raja bisa ditalukeun (Samsudin
1975;2).
Dicaritakeun saterusna, Prabu Talagamaggung
kagungan dua putra nyaéta Raden Panglurah jeung
Ratu Simbar Kancana.
Raden Panglurah milih jadi patapan di Gunung
Bitung, manahna henteu katajieun ku tahta
karajaan jeung maréntah jadi raja.
Sabada Sang Pangeran angkat ka patapan di Gu-
nung Bitung, ka Talaga aya nu datang, ti Tatar
Sabrang nonoman raspati, dedeg sampe rupa hadé
jeung luhur elmuna.
Eta nonon dikenalna Sakyawirya ti Palembang,
Dikenalna ogé Palembang Gunung. Saterusna
ngabdikeun dirina ka karaton. Sang Raja katajieun
Sunan Talagamanggung Ditelasan
Ku Palembang Gunung
13Manglé 2475
pisan ku Palembang Gunung anu sopan turta nyaho
kana tata titi duduga peryoga
Hade budi basana, atuh Kangjeng Raja beuki
katajieun ku nonoman Palembang nu hadé rupa
turta beunghar ku élmu panemu téh. Tepi ka ahirna
Palembang Gunung ditikahkeun ka Sang Ratu Sim-
bar Kancana bentang Talaga.
Saterusna Palembang Gunung dijungjung
lunggguh jadi Patih Karajaan anu kalungguhanna
di Walangsuji. Beuki bisa Palembang Gunung
mintonkeun tingkah lakuna anu hadé payuneun
Sunan Talagamanggung tepi ka ahirna diangkat
jadi Patih Utama karajaan. Ahirna jadi Wakil Sunan
Talagamanggung anu ngemban tugas dina sawatara
hal anu Sunan ku anjeun henteu tiasa rawuh (Sam-
sudin 1975: 2). Ari samistina mah Sang Palembang
Gunung tambah-tambah marekna ka Sang Raja,
sujud sukur kana nugraha ti anjeunna. Tapi
kanyataanana malah sabalikna.
Sunan Ditelasan
Palembang Gunung tétéla boga ambisi anu
ngagedur-gedur geusan jeneng Raja di Talaga,
tangtu baé ngagunakeun sagala rupa cara ngarah
gancang ngahontal ambisi pribadina. Tapi kumaha
carana ngarebut tahta ti Raja Talagamanggung anu
kongas sakti mandraguna turta henteu teurak ku
pakarang naon baé iwalti ku pusaka gagamanana.
Teu éléh géléng Sang Palembang, nya terus
metakeun akal tarékah tepi ka anu pangtelengesna.
Palembang Gunung ngadeukeutan hiji mantri
ngaran Citrasinga anu paham kana permati rajana.
Ceuk Citrasinga, Sang Raja moal bisa ditelasan
maké senjata naon baé ogé, sabab kagungan senjata
pusaka tibarang lahir. Palembang anu sakti moal
mapakan kasaktén Sang Prabu. Patina Sang Prabu
ngan ku pusaka gagamanana anu diandak ti keur
dikandung kénéh ku ibuna nyaéta cis. Citrasinga
dijangjian arék diangkat jadi pajabat luhur lamun
manéhna geus bisa nelasan Sang Raja. Citrasinga
kaolo jeung kapangaruhan ku Palembang Gunung.
Tapi ceuk Citrasinga deui, anu bisa nyokot ti
tempatna jeung ngagunakeun éta pusaka ngan
panakawan kadeuheus Sang Raja, nyaéta Centang-
barang, panakawan karajaan kapercantenan Sang
Prabu. Éta panakawan ahirna kapangaruhan ku
Palembang Gunung tepi ka jangji arék mantuan
carogé Ratu Simbar Kancana ngalaksanakeun niat
jahatna.
Centangbarang héroy ku pangbibita dunungan-
ana anu arék méré kalungguhan luhur lamun ren-
cana nelasan Raja tinekanan. Centangbarang yakin
rencanana bakal kalaksanakeun. Tumbak Cis geus
kakawasa ku Centangbarang, Dina waktuna tumbak
gancang dilelempeng kana salira Sang Raja,
disangkana moal nyalahan, tapi kersaning Gusti
séjén deui, congo tumbak cis ngan mampuh
ngaraheutan bitis Sunan Talagamanggung. Sanajan
jelas panakawanna geus ngahianat tapi Sunan
nyarék prajurit ngudag Centangbarang, Gusti anu
kawasa nu bakal ngahukumna, isuk jaganing géto
Centagbarang bakal cilaka ku polahna sorangan.
Sang Raja lebet ka kamar panumpen tempat
mujasmédi ka Gustina tepi ka Sunan Talagamang-
gung ngahiyang .
Karaton jeung pangeusina katut palataran kara-
ton ogé dadak sakala robah jadi situ atawa talaga anu
kacida legana turta caina ngagenclang hérang. Tepi
ka kiwari éta situ mashur ditelah Situ Sanghiyang
(Samsudin 1975 2-3). Wawancara jeung R. Mumu
Mahmudin 14 April 2012).
Simbar Kancana males Pati
Kajadian musibah gancang diunjukeun ka
Palembang Gunung di Walangsuji. Sang Ratu
Simbarkancana nangis kanyenyerian dikantun wapat
ku rama dina kaayaan saperti kitu. Palembang Gu-
nung katut ponggawa mantri ti Walangsuji gan-
cang muru karaton keur ngabuktikeun laporan para
prajurit anu nyebutkeun Sang raja, karaton katut
pangeusina salin jinis jadi talaga ngemplang.
Ratu Simbarkancana barang ngadangu laporan
ti Palembang Gunung yén ramana katut karaton
sapangeusina salin jinis jadi talaga tambah-tambah
kapapanjangan sedihna, ratu nangis taya eureunna.
Ku Pamanna, Bagawan Garasiang digelendut
diwurukan yén éta kabéh mangrupa cocoba pikeun
salirana ku anjeun, ratu rada kabeberah (Sam-
sudin 1975 :3).
Sabada Sunan Talagamanggung taya di kieuna.
Palembang Gunung langsung jadi Raja ngagentos
mertuana. Pusat pamaréntahan dipindahkeun ka
Walangsuji sabab karaton anu geus jadi talaga
hamo bisa dipulangkeun deui ka asal.
Nagara sabada diparéntah ku Palembang Gu-
nung nyirorot pamor ilang dangiang, kaayaan na-
gara jadi mundur balukar tingkah laku Palembang
Gunung anu resep pésta-pésta ngamonyah-monyah
waragad, henteu maliré kana pancen maréntah anu
bener. Estuning nuturkeun karepna sorangan baé
anu henteu hadé. Palembang Gunung henteu lila
maréntah Talaga tepi ka éta karajaan bisa
disalametkeun. Lakuning lampahna anu hianat ka
Raja kabongkar mantén.
**Saperti nu diugkabkeun ku Nina H. Lubis
(E.d), Etty Saringendyanti, Undang Ahmad Darsa,
Miftahul Falah dina Buku “Sajarah Karajaan Ta-
laga** HRS/Hanca
Manglé 247514
MMunara Cahaya
U
khuwah Islamiyah penting
kacida. Dawuhan Kangjeng
Rosul Muhammad SAW,
“Al mukminu lil mukmini kal bun-
yan yasyuddu ba’dhuhu ba’dha. Nu
hartosna; Hiji jalma mu’min jeung
mu’min séjénna saperti hiji wangu-
nan, nu hiji jeung nu séjénna, silih
nguatan (HR. Bukhari Muslim].
Syaikh Hasan Al Banna r.a.
ngajelaskeun, hak muslim jeung
muslim séjénna mangrupa Salama-
tus Shadr. Nyaéta, geusan
nyalametkeun haté tina goreng
sangka ka papada muslim lianna.
Katerangan di luhur, ébréh tur
jinek. Ukhuwah, silihajénan jeung
papada muslim téh wajib
hukumna. Lantaran, hifdul
ummah, mangrupa dasar hirup nu
silih lengkepan, silih tulungan,
silih ajénan geusan nyalametkeun
manusa di dunya manan
pibekeleun ahérat. Kitu kamulyaan
Islam dina ngatur umat. Malah
pentingna ukhuwah téh, numut-
keun salasahiji katerangan asup
kana maqashid syari’ah. Lian ti hif-
duddin, hifdunnas, hifdu nafs,
hifdu aql, hifdul mal, ogé ditamba-
han deui ku hifdul ummah. Hartos-
na, ukhuwah sami jadi poko-poko
dina dasar agama.
Nu jadi patarosan ayeuna?
Kumaha carana nanjeurkeun
ukhuwah? Jawabanana seueur
pisan. Ngan, nu jadi garis badagna
mah, nyaéta ku iman jeung ku
takwa. Iman, babarengan ngancik-
keun kayakinan diri ku pamadegan
nu bener. Sedengken takwa,
babarengan ku jalan milampah
polah nu nincak dina bebeneran.
Hartosna, teu kasebut nanjeurkeun
ukhuwah Islamiyah, upama
kayakinan teu sapamadegan. Kitu
deui teu kasebut nanjeurkeun
ukhuwah Islamiyah, upama polah-
na jauh tina bebeneran. Sabab
ébréh deuih, dina dawuhan Alloh,
ukhuwah téh salawasna kudu
disimbeuhan ku ‘watawa shaobil
hak watawa shaobilsobri’.
Kumaha upama aya urusan
ikhtilaf (béda pamadegan) lantaran
masing-masing boga dasarna?
Palebah dieu mah, para ulama
séjénna, negeskeun, sahenteuna
aya tilu perkara penting nu ka ditu-
na kudu jadi nguatan ukhuwah
umat. Kahiji, tanawwu' al-ibadah.
Konsep ieu téh, papada maphum
dina palebah 'keragaman' dina
ngalakukeun praktek ibadah.
Pacékcokan antargolongan atanapi
antarorganisasi kaagamaan
ngeunaan ikhtilaf, saleresna teu
janten masalah. Di dieu kudu aya
rasa ukhuwah dina palebah béda
pamadegan. Sabab, dina urusan
ikhtilaf téh lain pacékcokan nu jadi
udagan, tapi rohmat nu jadi
mangpaat. Hartosna, teu aya nu
ngarasa pangbenerna.
Kadua, al-mukhti'u fi al-ijtihad
lahu ajr. Nu salah ogé dina ijtihad
bakal meunang ganjaran. Nu
nangtukeun salah jeung benerna,
mung Alloh SWT. Katilu, konsep la
hukma lillah qabla ijtihad al-muj-
tahid (Alloh moal netepkeun huku-
man sateuacan ayana ijtihad kana
éta masalah). Ieu hartosna hasil
ijtihad téh mangrupa hukum Alloh
masing-masing para mujtahid,
sanajan hasilna tiasa béda-béda.
Ku tilu perkara éta, biasa dina
kaayaan nu béda, atanapi biasa
ngahormat ikhtilaf, dianjurkeun
pisan dina agama Islam.
Ku margi kitu, ukhuwah ummat
penting kacida. Margi penting,
atuh dilampahkeunana ogé lain di-
hiji tempat, tapi dina saban tem-
pat. Di kulawarga, di lingkungan,
di organsiasi malah kaasup di
partéy. Dawuhan Alloh Swt.:
Hartosna: Saestuna taya lian
mu’minin teh sadulur, ku kituna
rapihkeun antara dua dulur
maranéh, jeung masing tarakwa ka
Alloh, supaya maranéh dipaparin
rahmat. (Surat Al-Hujurot : 10).
Islam téh mulya tur linuhung.
Lantaran kitu, kamulyaan Islam
lain saukur mampuh ngalaksana-
keun ibadah-ibadah syari’ah tapi
ogé ngalaksanakeun ibadah sosial,
atanapi nanjeurkeun ukhuwah, hif-
dul ummah. Hiji hadis Nabi SAW
nétélakeun, "Takhallaqu bi
akhlaqillah," anu pihartoseunana,
"Pelakkeun ahlak Alloh dina diri
anjeun". Dina tapsiran panyajak
kahot Jalaluddin Rumi téa mah,
"Moal aya talajak anu leuwih sieup
kajaba talajak anu dituladankeun
ku Mantena". Manusa pinunjul jiga
Nanjeurkeun Ukhuwah Islamiyah
Ku RH. Tarmidzi
15Manglé 2475
kieu anu mangrupa puncakna
ciptaan Alloh, malah moal nutup
kamungkinan ajén manusa
ngaleuwihan malaikat. Nanceb-
keun ahlak téh rupa-rupa, di
antarana milampah kahadéan dina
ngajaga ukhuwah. Nancebkeun
sikep husnudzon (alus sangka)
keur nanjeurkeun ukhuwah, ogé
ngajauhan tina sikep takabur, som-
bong, atawa mawa karep sorangan
nu matak ngaruksak ukhuwah
umat.
Nyontoan jeung Nyarék
Manusa salaku hamba Alloh,
dina prak-prakanana kedah
milampah salah sahiji prinsip
syari'ah nu disebut amar ma'ruf
nahi mungkar (nanjeurkeun
bebeneran, nyegah kamungkaran).
Imam Ghozali dina kitabna Ihya
'Ulumuddin, nétélakeun yén prin-
sip amar ma'ruf nahyi mungkar
bisa disebut 'top sentral ajaran
Islam' atanapi 'al-Quth al-A'dzam
Liddin'.
Nepikeun bebeneran, nyegah
kamungkaran, ditegeskeun deui ku
Saefuddin AF. Isma'il, kiwari geus
leungit tina kaayaan budaya urang,
sahingga 'amar ma'ruf nahyi
mungkar' mung sakadar panggero
wungkul, teu ieuh dibarengan ku
prak-prakanana. Aya panggeuing
kana prinsip 'al-Quth al-A'dzam
Liddin'. Alloh Swt. mépélingan ka
urang sadaya dina surat Al-Maidah
ayat 79:
Nu hartosna kieu : "Maranéhna
saurang jeung saurang lianna hen-
teu ieuh silih nyegah kamungkaran
nu geus dipigawé. Saéstuna goréng
pisan naon-naon nu geus dipigawé
ku maranéh téh."
Pépéling Alloh di luhur kudu
jadi panggeuing pikeun urang sa-
daya. Watek Islam nu ngajadikeun
amar ma'ruf nahi mungkar salaku
budaya jeung mental pikeun
umatna kudu terus digedurkeun.
Tong malah sabalikna: jadi amar
munkar nahi ma'ruf. Naudzubil-
lahimin zaliik. Balukarna, lain
nanjeurkeun ukhuwah tapi ngaruk-
sak ukhuwah.
Kumaha upama kiwari hésé
nyarék hésé nitah kana bebeneran?
Jawabanana ogé loba. Ngan tina
lobana éta jawaban, nu katémbong,
lantaran urang sorangan teu bisa
jadi conto. Conto dina naon?
Nyaéta conto dina milampah ka-
hadéan.
Nyarék ku pidato lain teu hadé,
tapi nyarék ku conto leuwih beurat,
leuwih mulya ogé leuwih luhung.
Kangjeng Rosul, dina nanjeurkeun
amar ma’ruf nahyi mungkar, tétéla
méméh nyaram, méméh maréntah
bener, apan Kangjeng Rosul
nyalira nu nyontoan. Ieu sabenerna
jawaban pamungkas nu kiwari di-
jauhan ku umat sorangan. Urang
sok babari nyarék ka batur, dalah
nyarék ka dirina ogé apan teu
mampuh.
Palebah dieu, Rosulullah SAW
salawasna mépélingan umatna
sangkan mulyakeun Islam ku
rohmatal lil’alamin, ku conto nu
hadé, nu conto nu matak pikabita-
eun. Ulah sabalikna, cicing dimana
nempo kamungkaran, sok komo
bari urang cicing dina ka-
mungkaran.
Malik bin Nabi, filosuf Al-Jazair
ngajéntrékeun deui salah sawios
hadis : "Saha jalma ti antara
maranéh nu nempo kamungkaran,
prak maranéh geura ngarobah ku
leungeun maranéh, lamun teu
sanggup, pék ku omongan, lamun
teu sanggup, pék ku haté, jeung éta
téh salemah-lemahna iman." (HR.
Muslim, Ashab Sunan, Ahmad).
Ku kituna, mudah-mudahan
urang salamina dipaparin kakiatan
kanggo nanjeurkeun ukhuwah
Islamiyah, kalawan disimbeuhan
ku kakiatan iman sareng takwa ka
Gusti nu Maha Suci. Amin***
Internet
Manglé 247516
TTanyaJawab
Patarosan:
Assalamu’alaikum Wr. Wb. Tu-
maros, Kumaha upami dina prak-
prakan solat Dhuha, namung aosan
ayat Alquran saatos maos surat al-
Fatihah, teu nganggo surat Adh-
Dhuha? Sim kuring nyuhunkeun
pedaranana.
Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Ahmad Gufron
Cinunuk - Cileunyi - Bandung
Waleran:
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Saéstuna, saupama urang niténan
kana ajaran Islam, kacida pisan
lengkap tur sampurnana, nyaéta
ngawengku kana sagala widang
kahirupan manusa, ti mimiti widang
kahirupan anu alit dugi ka anu ageung.
Ti ngawitan urang badé kulem, dugi ka
gugah kulem deui. Ti ngawitan
masalah pribadi, kulawarga, dugi ka
masalah nagara (politik). Nya kitu deui
dina masalah ibadah nu sifatna husus
ka Gusti Alloh, saperti puasa jeung
solat. Dumasar kana hukum, aya
puasa wajib jeung aya puasa sunat.
Aya solat wajib, jeung aya solat sunat.
Ngeunaan masalah solat sunat, loba
pisan jinisna, saperti solat sunat
rawatib, tahajud, syukril wudhu,
tahiyatul masjid, dhuha jeung sa-
jabina. Anapon, masalah anu patali
sareng patarosan di luhur nyaéta
masalah solat sunat Dhuha anu waktu-
na dilaksanakeun dina waktu isuk-
isuk.
Solat Dhuha nyaéta solat sunat anu
dilakukeun saatos panon poé bijil nepi
ka rék asup waktu lohor, atawa nepi ka
panon poé tos badé condong ka pale-
bah kulon. Saupama ditilik dina
waktu, nyaéta ti mimiti tabuh 6 leuwih
(6.30) nepi ka tabuh 11.30. Malih aya
anu nyebatkeun afdholna solat sunat
Dhuha dilaksanakeun dina tabuh
9.00. Sedengkeun jumlah rokaatna,
dumasar kana katerangan Hadits, pa-
ling saeutik 2 (dua) rokaat, paling
lobana 12 rokaat. Di antara Hadits-ha-
dits ngeunaan solat sunat Dhuha,
nyaéta, di antarana waé hadits ti Zaid
bin Arqam RA nu nyebatkeun, wiréh
Nabi SAW ka luar nepungan warga
Quba, maranéhna keur solat sunat
Dhuha. Lajeng mantena ngadawuh:
“Waktu solat sunat Dhuha nyaéta nepi
ka panon poé panasna tarik pisan (te-
ngah poé)”. (HR. Ahmad Muslim
sareng Tirmidzi). Kitu deui, “Sing saha
anu ngalaksanakeun solat sunat
Dhuha teras-terasan (istiqomah),
mangka sagala dosana bakal diham-
pura ku Gusti Alloh, sok sanajan
lobana saperti budah di laut” (HR.
Turmudzi).
Anapon tatacara (kaifiyat)
ngalaksanakeuna, nyaéta: Kahiji, niat
badé ngalaksanakeun solat Dhuha,
teras takbirotul ihrom. Kadua, saatos
takbiratul ihram maos doa iftitah
dilajengkeun maos surat al-Fatihah.
Katilu, maos salah sahiji surat atanapi
ayat Alquran. Dina hal ieu, sapamen-
dak sim kuring saparakanca henteu
aya dalil, boh tina Alquran atanapi tina
Hadits anu ngudukeun atanapi
nangtukeun (ngawajibkeun) maos
surat atanapi ayat anu tangtu. Na-
mung aya ulama anu nyebatkeun, dina
rokaat kahiji, utamina maos surat al-
Syams, dina rokaat kadua, maos surat
al-Lail. Teras rokaat salajengna, tiasa
maos surat al-Dhuha atanapi
surat/ayat naon baé anu urang tos
apal. Saatos réngsé maos salah sahiji
surat atanapi ayat, teras ruku.
Salajengna, sakumaha biasa sami
sareng ngalaksanakeun solat sunat
lianna. Cindekna, dina ngalaksana-
keun solat sunat Dhuha, henteu aya
dalil anu nangtoskeun, kedah maos
surat atanapi ayat anu tangtu,
saatosna maos surat al-Fatihah.
Nyakitu deui doa anu diaos saatos
solat sunat Dhuha, henteu aya Hadits
anu nétélakeun aosan anu tangtu.
Anapon doa anu biasa diaos saatos
solat Dhuha, anu unggelna: “Allo-
humma Innadh Dhuha Dhuha-uka,
jeung saterasna”. Ieu doa asalna sanés
ti Rasulullah, tapi ieu doa asalna ti
para ulama fiqih, di antarana Imam al-
Syarwani dina kitabna “Syarh Minhaj”
sareng Imam al-Dimyathi dina kitab
“I’anatut Thalibin”. Dua ulama ieu
nyebatkeun, wiréh doa solat sunat
Dhuha ieu asalna sanés tina Hadits
Rasulululloh SAW. Namung dina
Alquran disebatkeun: “Saupama aran-
jeun réngsé ngalaksanakeun solat,
mangka prak dzikir ka Gusti Alloh
Swt.” (QS. al-Nisa: 103). Dina ayat ieu
henteu disebatkeun, réngsé solat wajib
atanapi réngsé solat sunat, tegesna
ayat ieu sifatna umum. Dina ayat sanés
disebatkeun: “Hé jalma-jalma anu ari-
man, prak dzikir (sebut asama Alloh)
saloba-lobana, jeung lobakeun tasbih
ka Mantena (sucikeun) dina waktu
isuk-isuk jeung soré” (QS. al-Ahzab:
41-42).
Namung dina Hadits disebatkeun,
saéstuna Rosululloh SAW nyalindung
ka Gusti Alloh tina lima perkara satiap
saatos réngsé ngalaksanakeun solat,
nyaéta: “Ya Alloh, saéstuna kawula
nyalindung ka Gamparan tina sifat
kikir, kawula nyalindung ka Gamparan
tina sifat pengecut, kawula nyalindung
ka Gamparan tina umur anu paling
hina (pikun), kawula nyalindung ka
Gamparan tina fitnah dunya, jeung
kawula nyalindung ka Gamparan tina
adzab kubur.” (HR. Bukhori. Muslim,
Ahmad, sareng Nasai). Wallohu ‘alam.
Kaifiyat Solat Dhuha
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Manglé 247518
CCaritaPondok
P
iduami­nggu­-
eun­deui­kana
prungna,­poé
Juma’ah,
méméh
khotib­ung-
gah­mimbar­diémbarkeun:
Lurah­Cigintung­gaduh­pa-
maksadan­badé­nikahkeun
putrana­nu­cikal,­Néng
Nonon,­ka­Cep­Adang­putra
kuwu­Sukasari.­Walimahan­-
ana­poé­Kemis­tanggal­opat-
likur.­Ninggang­dina­Kemis
manis­minggu­kaopat­bulan
Rayagung.­Sapoé­saméméh
walimahan,­poé­Rebo,­bakal
aya­raraméan­réog­Sekar
Jaya­ti­Kuningan.­Ditumbu
malem­Jumaahna,­satutas
walimahan,­tableg­Ajengan
Ilyas­ti­Galonggong­mi-
nangka­pamungkas­hajat.
Dikumkeun­urang­Cig-
intung­mah,­disambat­dina
prungna.­Tugu­umpi­teu­di-
wilah-wilah,­sasat­kakurung
kabéh.­Implik-implikna,
bada­juma’ahan,­sakur
lalaki­digotongroyongkeun
ngala­awi­keur­pibalando­-
ng­aneun­katut­pupuyan-pa-
payon­geusan­kaperluan
hajat.­Kitu­minangka­pa­-
ngo­gan­keur­urang­Cigin-
tung­mah,­golongan­cacah
kasebutna.­Ari­keur­nu
jarareneng­mah­bangsa
kuwu,­sasama­lurah,­mantri
guru,­koléha­sakacamatan
diiwalkeun,­maké­uleman
husus­boh­ku­basa­boh­ku
lalayang.
Harita,­diémbarkeun
poé­Juma’ah­téh­sasatna
ngabéjaan­bulu­tuur.­Mi-
nangkana­mah­pormilna
bébéja­sakalian­ngogan
batur­salembur.­Da­tangeh
kénéh­gé,­ti­béh­ditu­kénéh,
geus­sabiwir­hiji:­Ki­Lurah
bakal­hajat­rongkah.
Puguh­waé­urang­Cigin-
tung­mah­bungah­lain­diki­-
euna.­Hajat­lurah­téh­sasat
pada­ngarep-ngarep.
Sahan­teuna­bakal­aya­rara­-
méan,­bakal­aya­lalajoaneun
bakal­aya­hiburan­nu­teu
mangkuk­sataun­sakali­sa-
taun­sakali­acan­aya­di­lem-
bur­Cigintung.­Keur­urang
Cigintung­mah­kangaranan
lalajo­téh­kaasup­barang
méwah.­Ma’lum­lembur­sik-
luk­tara­pati­kasaba­ku­hi-
buran­ari­lain­ti­BKKBN
kabupatén­mah­ngadon
nanggap­pilem­KB.
Panungtungan­aya
raramean­di­Cigintung­téh
basa­Haji­Adip­nanggap
wayang­golék.­Nyundatan
putrana­nu­bungsu,­Jang
Aceng.­Pet­waé­ti­harita
mah­euweuh­deui­nu
tatanggapan.­Heubeul­pisan
aya­taunna.­Pangantén
sunatna­gé­ayeuna­mah
geus­jelug,­manjing­umah-
umah­geusan­metakeun­nu
dikeureut­ku­bengkong.­Éta
ogé­teu­ngaleuleungit,­aya
ari­hiji­dua­mah­nu­hajat
tatanggapan­tapi­da­teu­ma-
pakan­raména­hajat­di­haji
Adip.­Raraméan­meueusan
nanggap­tagonian­santri
ajengan­Umar,­teu­kaasup
rongkah­nu­kitu­mah.
Karéréanana­mah­siduru
isuk.­Hajat­golongan­cacah,
semet­ngogan­nu­darareu­-
keut,­ngariung­balakécra­-
kan­jeung­tatangga.­Tamba
kawaran­ngahanjatkeun­bu-
rayak­tina­babalongan,
hanyir­meueusan­pédah
kasebutna­di­nu­hajat.
Munasabah­basa­mimiti
aya­selentingan­lurah­boga
paniatan,­dibarung­tatang-
gapan,­keur­urang­Cigin-
tung­mah­sasat­asa­kagun­
turan­madu,­bungah­lain
dikieuna.­Kaluman­ongkoh
habén­waé­dipoyokan­ku
tatangga­lembur.­Cenah
urang­Cigintung­mah­lalajo
nyandu­nanggap­cadu.­Teu
gableg­kaéra­majarkeun­téh.
Lurah,­nu­boga­paniat­-
an­ana,­pada­ngahucukeun
pada­ngahatéan­ti­ditu­ti
dieu.­Pajarkeun­lurah
saenya-enya,­kasartaan­ku
pakaya,­moal­heueuh­nga­-
winkeun­rerencepan­onam­-
an.­Kawas­ngawinkeun­nu
kacilakaan­waé.­Katurug-
turug­itu,­pibesaneunana
téa,­apan­lain­jelema­joré-
joré.­Pantar­kuwu­kitu­moal
Carpon A. Budiman
19Manglé 2475
henteu­lubak-libuk­ku­harta
banda.­Ngahéktar­boa
sawah­jeung­kebonna­ogé.
Acan­tanah­béngkok,­geus
pasti­ublug-ablag.
Mangkaning­pangkat­kuwu
mah­sok­kabagian­tanah
béngkok­pangléndona.
Manasina­pangkat­rénda-
han­kaagéhan­garapan
tanah­garung­panyésaan.
Bungah­ku­dua­ku­tilu
cék­paribasana­urang­Cigin-
tung­téh.­Saha­nu­teu­milu
bungah­geura­nénjo­anak
papayung­rék­manggih
kabagjaan.
Kabungah­lurah­sasat
kabungah­sapangeusi­lem-
bur.­Katambah-tambah
deui,­prungna­hajat­téh
ninggang­usum­senang.
Reres­panén­teu­loba­teuing
pagawéan­di­sawah.­Mu-
nasabah­lamun­lugina­haté
téh­da­sasat­baroga­bekel­di
geusan­panglalajoan.­Lalu-
asa­wé­jajan­téh,­teu­kudu
lendeng­anjuk­hutang.
Tanggeh­kénéh­kana
prungna­hajat­gé­teu­saeu-
tik­nu­imahna­ngadak-
ngadak­dikapur,­dipapaés
dipapantes­da­sahanteuna
bakal­kasumpingan­ku
urang­béh­girang­nu­rék
kaondangan.­Atawa,­dina
copélna­bakal­kaseun-
deuhan­ku­tatangga­lembur
nu­ngadon­lalajo.­Ngapur
imah­téh­itung-itung­kaul
milu­bungah.­Kahibaran­ku
Nyi­Pangantén,­lembur
singkur­di­tutugan­gunung
Sangkur­téh­ngadadadak
hégar­bijil­komarana.
Dina­poéan­ngaleung­-
geuh­urang­Cigintung­mah
sasat­tamplok­kabéh­ka
imah­lurah.­Jelema­pating­-
laliud­sacabakna-sacabak­-
na.­Nu­ngarasa­awéwé­ka
dapur­léosna­téh.­Nyik-
sikan,­ngahéréb,­ngoséng,
ngangeun,­ngagoréng.
Lalaki­ngalaliudna­téh­di
pipir.­Nu­baredas­tanaga
dalokdak­nampolan­pisu-
luheun.­Nu­rumasa­suda
tanaga,­nganyam­awi­pi-
walangsangeun.­Kituna­téh
diselang­sempal­guyon­ba-
balagonjangan­bari­nga­-
dadago­nu­nyalukan­nitah
dahar.
Di­hareup,­teu­éléh­pa-
galiwota.­Panggung­katut
balandongan­pada­ngaro­-
péa­ku­nu­ngarora.­Barudak
parawan,­sobat-sobat­Nyi
Pangantén,­aranteng
ngeput­panggung­maké
samping­réréng.­Dihias­di-
hadé-hadé,­kari­ngeusian
ku­rombong­an­réog­anu
cenah­pida­tang­eunana­téh
poé­Rebo,­isuk-isuk.­Baru-
dak­bujang­pabuis­ngaku-
tan­korsi.­
Dijajar-jajarkeun­geu-
san­para­tatamu­tuang
parasmanan­disambil­lalajo
hiburan.­Sawaréhna­deui
ngade­­­kul­nyarieunan
janur.
Suasana­hajat­karasa.
Sora­kasét­degung­nu­nga-
haja­disetél­ngagembrung
teu­eureun-eureun.­Pajar­-
keun­téh­ngahibur­urang
dapur­nu­keur­kabebereg
nyuguhan­nu­keur­digara­-
wé.­Sorana­tarik­ngarung­-
kup­lembur.­Maké­toa
saopat-opat.­Mélaan­modin
masigit­keukeuleuweungan
da­toana­diinjeum­ku­nu
boga­hajat.­Tambah­haneu-
teunana­téh­bebenyit­teu
beunang­dicarék­ngadong
ucing-ucingan­dina­balan-
dongan.
Maju­ka­soré­nu­dadasar
mimiti­jul-jol.­Beuki­lila
beuki­ngabubuhan.
Hempak­sadagangan-sada-
ganganana.­Ti­minggu­itu
kénéh­nyaririan­tempatna
ogé.­Milih­tempat­nu­saki-
rana­bakal­dideugdeug­ku
nu­ngadon­curak-curak­di-
geusan­panglalajoan.­Ti
mimiti­nu­nampeu­kana­ba-
landongan­nepika­nu
nying­kur­aya­waé.­Nu­da-
gang­kadaharan­lain­wi-
wilangan,­kupat,­loték,
pecel,­rujak­asinan
ngaleuya.
Nu­dagang­kaulinan
budak,­nu­dagang­baju­nepi
ka­nu­dagang­pancarakén
naon­ku­hanteu­disogrog-
sogrogkeun­nandéan­nu­rék
meuli.­Lembur­nu­sasarina
cakueum­téh­bleg­waé­pasar
dadakan­harita­mah.
Raména­henteu­kira-kira.
Bada­asar­nu­ngadon
midang­teu­kurang.­Pang-
pangna­mah­barudak­bu-
jang­urang­dinyana,­ngadon
aleut-aleutan­mapay­lapak
dagangan.­Capa-cipi­jiga­nu
enya­nyéta­nu­rék­barang-
beuli.­Dina­emprona­mah
teu­sing­aya­duit­nu­pindah
leungeun,­teu­nitih­sapérak-
pérak­acan.­Ngaradon
sukan-sukan­waé­sugan.
Can­manjing­ongkoh­ucul
duit­wayah­kitu­mah.
Malaur­waé­pada­ngageuh­-
geuykeun­pajar­karoohan,
kawas­puasa­manggih
lebaran.
Teuing­kétang­lamun
ngahaja­mah­duit­téh
dikempat-kempit­keur
engké­nyukakeun­bébéné­...
keur­nu­boga­bébéné.­Keur
nu­can­boga,­keur­saha­waé
meureun­nu­sakirana­pan­-
tes­dijadikeun­piindung­-
budakkeun.­Ngamemenan
parawan­digeusan
panglalajoan.­Kitu­lum-
rahna­nu­ngarora­mah.
Sajéroning­aleut-aleu-
tan,­barudak­bujang­téh
panonna­mah­ngulencer
kabéh­ogé.­Nyirian­tempat
nu­sakirana­tumaninah­di-
paké­lalajo.­Tumaninah
ukuran­maranéhanana­téa:
rada­nyingkur,­reyem-
reyem,­teu­kagiridig­ku
batur,­tapi­awas­ka­papang-
gungan.­Dipalar­jongjon
paduduaan­jeung­bébéné.
Tempat­nu­kitu­nu­diparili-
hna­téh.
“Aya­sabaraha­urang,
Udung?­Kadé­aya­nu­teu
kaitung!”­cék­saurang­nu
kabeneran­imah­kaliwatan
ku­barudak­bujang­nu­keur
aleut-aleutan.
“Naon­téa,­Mamang?”
témbal­Si­Udung­nyam-
peurkeun­nu­keur
ngalangeu­dina­golodog,
misah­ti­baturna­nu­keur
aleut-aleutan.
“Nu­dadasar.­Lain­tos
ngaroris­nu­dagang­bieu
téh?”
“Enya,­aya­saréwu,
Mang,”­témbal­Si­Udung.
Gek­diuk­gigireun­Mang
Ipin.
“Wuah,­lohong­téh
kabina-bina­teuing,
Sudung!”
“Hih,­maké­jeung
nanyakeun­sagala­ari­teu
percaya­mah.­Jangkep
saréwu,­Ceu­Jojoh­nu­nga-
jejeganana­gé.”
“Baruk,­Si­Jojoh­ge­da-
gang­nya,­dagang­naon?”
“Eu­...­éta­dagang­goré­-
ngan­jeung­kopi­...­susu.”
“Euh,­aya­kahayang­nyi
rangda­téh.”
“Bisi­Mamang­arék­mah
engké...­geus­rada­peuting,”
cék­Si­Udung­ngomongna
ngadadak­haharéwosan,
“diémbohan­pingping­geura
kapeutingnakeun­mah.”
“Cungur­sia...!­leu­deui
nanaonan­budak­téh.­Ti-
tatadi­ngagacer­waé­hayang
balon,”­cék­Mang­Ipin
mureleng­ka­anakna­nu
nyampeurkeun­bari­nam-
prakkeun­dampal­leung­-
eun,­“tuh,­ka­ema­nyanéh,
bapa­mah­teu­boga­duit...
Ih,­ari­anak-anakan.­Tah
atuh,­kadé­pulanganana­ka
bapakeun­deui!­Lebah
mana­daganganana?”
“Di­dinya­waé­di
imahna.­Tara­ditumbrak-
tembrak­dagang­nu­kitu
mah,”­cék­Si­Udung
ngaringeuh.
“Nu­dagang­balon­mak-
sud­aing­mah,­Suduuung!”
Mang­Ipin­buncelik.
“Euh...­sugan­téh­nu­da-
gang­susu.”­cék­Si­Udung
nungkup­biwir.
***­­
Manglé 247520
(1)
D
atang­ka
imah­téh
méh­ma-
grib.­Dipa-
pagkeun­ku
Nyi­Anih­nu
mangmukakeun­garasi.
Terus­mangjingjingkeun­kan-
tong­kérésék­eusi­dahareun.
Tadi­asa­roy­hayang­pais­lauk
uduh-cucuk;­mana­basa­balik
nyimpang­heula­ka­“Dapur
Indung”­meuli.­­Bari­ngiring­-
keun­ka­jero­Nyi­Anih
nyarita,­
“Tadi­aya­bulé­istri­ka
dieu­milarian­Ibu,”­pokna.­
“Ti­mana­cenah?­Saha
ngaranna?”­kuring­nanya.­
“Saurna­ti­kedutaan­Pe­-
rancis.­Nyebatkeun­namina
mah,­nanging­hilap.­Ngan-
tunkeun­kartu­nami­da.
Tiasaeun­basa­Indonésia
deuih,­Bu,”­walonna.
“Naroskeun­nomer­hp­Ibu,
mung­ku­abdi­teu­diwar­tos­-
an,”­manéhna­nyambung
caritana.­
“Alus,”­ceuk­kuring,­“aya
pesenna­ka­Ibu?”­
“Saurna­pagéto,­Saptu,
badé­ka­Bandung­deui.
Upami­Ibu­tiasa­nampi
saurna­hoyong­diwartosan,”
walonna­bari­nunda­baba­-
waan­dina­méja­tengah.­“Ieu
Bu,­kartu­namina,”­ceuk­Nyi
Anih­bari­song­mikeun­am-
plop­leutik­nu­diteundeun
dina­rak­buku.­Eusina­kartu
nama­jeung­kertas­sacewir.
Ditingal­ngaranna­Yvonne­C.
Aramis.­Jabatanna­kepala
humas­kedutaan­mun­di
urang­mah.­Maké­implik-im-
plik­dina­basa­Inggris­nu
hartina­“upami­tiasa­nampi
sim­kuring­Saptu­ping…,
mugi­kersa­ngawartosan­ka
nomer­telepon­ieu...”­
“Saha,­nya?­Jeung­rék
naon­bangun­penting­mani
ngahajakeun­rék­nepungan,”
ceuk­haté.­Tapi­teu­pati
dipikiran­lantaran­sora­nu
tarhim­mapag­magrib­geus
kadéngé.­Kapikir­éta­ogé
sakolébat,­“Ah­meureun­rék
aya­acara­budaya­di­kedu-
taan.­Sina­medar­jeung
mintonkeun­Tembang­Sunda
CCaritaPondok
C’EST JOLIECarpon H.D. Bastaman
(Panghormat ka para panaratas tembang Bandungan,
hususna Ubun Kubarsah sareng Nénéng Dinar)
21Manglé 2475
deui­sigana,­cara­tilu­bulan
katukang.­Keun­isuk­rék­di-
tanyakeun.”­Atuh­brus­baé
mandi­buru-buru.­Sanggeus
kitu­cong­solat­terus­ngalem-
pengkeun­cangkéng­sakeu­-
deung.­Basa­kaluar­ti­kamer
nyampak­dina­méja­geus
ngabarak­dahareun.­Nyi­Anih
keur­nyician­gelas­ku­cihé­-
rang.­
“Tos­sayagi,­Bu.­Pais­can-
dak­gé­tos­dihaneutkeun.
Mangga­geura­tuang,”­pokna.
“Heug.­Anih­geus­dahar?”
ceuk­kuring.­
“Engké­baé­ti­pengker.
Teu­acan­hoyong­ayeuna
mah.”­
Nyi­Anih­téh­anak­Mang
Karna,­pamagersari­kaper-
cayaan­Emah­di­lembur.­Ka
indungna­mah­aya­bau-bau
sinduk.­Ku­Emah­Nyi­Anih
disambat­sina­maturan­ku­-
ring­di­Bandung.­Kabeneran
daékeun.­Bungah­baé­kuring
mah­aya­deui­nu­ngabaturan.
Da­di­imah­téh­ngan­kadua­Bi
Karsih­nu­ngurus­imah.­­Re-
sepna­téh­budakna­rada­cer-
das,­bubuhan­lulusan­SMP
tilu­taun­kaliwat.­Teu­bauan
kana­gawé­deuih­daék­man-
tuan­Bi­Karsih­masak,­nyeu­-
seuh,­nyetrika,­jeung­bebere­
sih­di­imah.­Malah­rapékan
tara­daék­cicing;­pepelakan­di
pakarangan­jeung­tukangeun
imah­nu­rada­lila­teu­kaurus
jadi­lening­tur­ngemploh
deui.­Sina­nyebut­“ibu”­baé
da­tadina­mah­nyebut­“ibu
endén”­nurutan­indung-ba-
pana­sok­nyebut­“endén”­ka
kuring.­
Kuring­hirup­nyorangan
nyicingan­bumi­kolot,­da
Emah­palay­teras­calik­di
lembur­baé­sabada­Apah
ngantun.­Lanceuk­duanana
taya­nu­dumuk­di­Bandung.
Kang­Abas­di­Semarang,­ari
Ceu­Tintin­nuturkeun
carogéna­di­Sérang.­Emah
teu­kénging­dihulag­palay
ngalih­ka­lembur.­Enyaan
sérén-sumérénna­téh­sina
neruskeun­nyicingan­bu-
mina.
“Hayang­balik­ka­lembur
Emah­téh.­Geus­puluh-puluh
taun­cicing­di­Bandung­nu-
turkeun­Apah.­Ayeuna­nu
dikawulaan­geus­teu­aya.
Emah­rék­pindah­ka­sarakan
bari­ngurus­makam­Apah.
Eusian­baé­imah­mah­ku
Antin­itung-itung­diajar
rumahtangga.­Lain­teu
melang,”­saurna.­
Sanggeus­rérés­dahar
koloyong­ka­tengah­imah,
gék­diuk­dina­korsi­nu
maranti.­Rék­trék­pisan
nyetél­TV,­jol­Nyi­Anih­mawa
baki­dieusi­citéh­panas­jeung
sarikaya­duwegan
samangkok.­
“Ti­mana­meunang
sarikaya,­Nih?­Meuli­nya?”
kuring­nanya.­
“Da­sanés­kénging­mésér,
Bu.­Kénging­abdi­sareng­Bi
Karsih­ngadamel­tadi.
Resépna­tina­télévisi­waktos
aya­acara­masak-memasak,”
walonna.
Sanggeus­Nyi­Anih­balik
deui­ka­tukang,­trék­nyetél
TV.­Kabeneran­keur­aya
berita­ngeunaan­krisis­politik
di­Perancis.­Bréh­Menara
Eifel,­ras­inget­kana­kartu
nama­Yvone­C.­Aramis­dina
erak­buku.­Barang­rék
ngarongkong,­kaburu­nye-
blak­mantén.­Ngarengkog.
Ngagebeg­malah.­Moal­kitu
aya­patalina­jeung­...­jeung­…
Pierre?
(2)
Paris 2011
Breng­waditra-waditra
bareng­muni­ngoncrang
sahéng.­Reg­eureun
ngadadak­sawatara­detik.
Kuring­ngajerit­metit­“Cit-
raresmiii!”­mungkas­lagu
“Citraresmi­Putri­Sunda”­bari
teu­karasa­panon­cirambay.
Pirigan­nyambung­deui....
halon…­beuki­halon...­beuki
halon…­leees­jempé.
Pungkasan­nu­ninggalan­rasa
mistis­ngajak­uleng­sajong­-
jongan­boh­keur­nu­ngagalin-
deng­jeung­nu­ngadarangu­
keun.­Buktina­panongton­gé
jempé­lir­kasirep­ku­perbawa
lagu.­Malah­kuring­sorangan
ogé­ngagalindengkeunana
bari­tingsariak­keueung
pacampur­nalangsa.
Sanggeus­kuring­ngadoy-
ongkeun­awak­bari
ngarangkepkeun­dampal­le-
ungeun­duanana­dina­dada,
kakara­kakuping­séahna­ke-
prok­panongton­teu­eureun-
eureun­bari­terus­ngaradeg.­
Kuring­tuluy­mébérkeun
leungeun­katuhu­ka­lebah
para­pamirig­nu­mayunan
waditra­séwang-séwangan
isyarat­mindahkeun­pang-
hormat­ka­aranjeunna­nu
ngalantarankeun­ieu­pinto-
nan­suksés.­Para­pamirig­ogé
teras­ngaradeg­bareng
ngadoyongkeun­awak­cara
kuring­nganuhunkeun­kana
panghormat­hadirin.­Dina
séahna­sora­keprok,­kuring
antaré­undur­ti­panggung­di-
iringkeun­ku­para­pamirig.­
Barang­nepi­ka
tukangeun­panggung­kakara
sadar­sora­keprok­téh­masih
kénéh­ngaguruh­malah­aye-
una­mah­dibarengan­ku­sora
rampak­ngawirahma­“bis…
bis…­bis…”­cenah.­Mr.­André
Cardin,­manajer­pertun-
jukan,­méré­isarah­sangkan
kuring­saparakanca­nedunan
pamundut­penonton.­Atuh
bring­ngantay­asup­deui­ka
panggung­rék­mintonkeun
lagu­husus­nu­geus­dis-
ayagikeun­saméméhna
pikeun­males­ngahormat­ka
nu­méré­aprésiasi.­Cug-ceg
para­pamirig­kana­waditra
sacabakna-sacabakna.­Kur-
ing­nangtung­antaré­di­ten-
gah­panggung­nyanghareup
panongton­nu­minuhan­aula
Gedung­UNESCO­tempat
kuring­saparakanca
mintonkeun­“Tembang­Ban-
dungan”.­Teu­lila­kakuping
gelik­suling,­jentréng­kacapi
indung,­paténgtongan­rincik
dibarengan­lengas-lengisna
biola­jeung­ngemprungna­ka-
capi­mayung­dina­laras
Sorog.­Ngong­kuring­nga-
galindeng.­Rumpakana­di­an-
tarana­kieu:
(Sundana:­Geulisna­téh
tanpa­tanding,­Haté­kaban-
dang,­ngahuleng­melong,
Kuring­paralun­moal­rék
ngomong,­Baréto­mah
geulisna­tanpa­tanding,
Haté­kabandang,­ngahu-
leng­melong,­Sabab­geulis
anjeun­éstuning­langgeng…)
Karék­gé­ngagalindeng
dua­jajar­lagu­“C’est­Jolie”,
“Geulis”­sundana­mah,­ger
deui­hadirin­keprok­mani
ngaguruh.­Sigana­teu
nyarangkaeun­lagu­Sunda
dina­laras­Sorog­dipirig­ku
waditra­tradisi­Sunda­ari
rumpakana­maké­basa­Pran-
cis,­basa­sapopoéna.­Peuting
éta­“Citraresmi­Putri­Sunda”
nu­rumpakana­ditulis­ku
Éddy­Iskandar­jeung­alih
basa­Prancisna­“C’est­Jolie”
ditulis­ku­Anne­Ariane­nu­la-
guna­kabéh­sanggian­Ubun
Kubarsah­jadi­primadona
pagelaran­“Tembang­Ban-
dungan”­di­Paris­jajantung
budaya­Éropa.­Lima­taun
katukang­guru­kuring,­Ibu
Nénéng­Dinar­maéstro­Tem-
bang­Sunda,­suksés
mintonkeun­Tembang­Ban-
dungan­di­tempat­ieu.­Al-
hamdulilah­ayeuna­kuring,
Antin­Déwi­Setiatin­muridna,
diparengkeun­ku­Mantenna
mintonkeun­deui­Tembang
Bandungan­siga­anjeunna­di
tempat­nu­sarua.
Harita­anjeunna­minton­-
keun­Tembang­Bandungan
dina­raraga­perayaan­“Inter-
national­Woman’s­Day”­UN-
ESCO.­Ari­ayeuna­kuring
saparakanca­mintonkeunana
dina­acara­“Malam­Budaya
Indonesia”­bareng­jeung
kasenian­Bali.
(lajengkeuneun)
Cest jolie, C’est merveilleux,
C’est interessant, c’est agree-
able, Je ne voudrais jamais
dire, C’etait jolie, c’etait mar-
veilleux, C’etait interessant,
c‘est agreeable, Parce que c’est
toujours jolie….
Manglé 247522
S
eungit­nu­ngada­-
linding­geus­pu-
luhan­poé­nyam­
buang­di­nagara
Jin­Tengger
Agung.­Syéh
Jubaedi­raja­karajaan­jin­Teng-
ger­Agung­anu­sakti­manggu-
lang-mangguling­geus­wanoh
deui­seungit­nyambuang
samodél­kitu­téh­geus­pasti
asalna­ti­jalma­soléh­anu­keur
menekung­ibadah­ka­Alloh
SWT.­
“Hiji­waktu­kaula­dibawa
ku­bapa­jadi­khodam­Nabi
Khidir­AS­anu­keur­menekung
ibadah­di­hiji­guha­di­sisi­laut,
seungitna­persis­kieu.­Tapi­ari
ieu­saha?­Datangna­mah­ti
lebah­curug­Guha­Badak?
Lawang­gintung­ka­nagara
urang.­Talingaan­wungkul­wé,
ari­teu­boga­maksud­goréng
mah,“­cék­Syéh­Jubaedi­ka
para­menteri­jeung­putri-pu­-
trina­nu­tiluan,­Arum­Endah,
Arum­Sari,­jeung­Arum­Wangi.
Para­putri­keur­meujeuh
mekar-mekarna,­jadi­béntang­-
na­karaton.­Loba­satria­ti
bang­sa­jin­atawa­jalma­anu
hayangeun­migarwa.­Ngan
weléh­tacan­aya­anu­bisa
ngagoda.­Arum­Endah,­Arum
Sari,­jeung­Arum­Wangi
jongjon­anteng­jeung­papada
kahayangna,­nepi­ka­tiluanana
boga­kapanasaran­rék­ngagoda
saha­jalma­anu­keur­tatapa­di
curug­Guha­Badak.­
“Ku­Tétéh­heula­goda­sina
amuradul­tapana,”­cék­Arum
Wangi­ka­lanceukna­bari
nyikikik.­
“Hus,­teu­meunang­julid.
Urang­mah­lain­jin­bangsa
kitu.­Ayeuna­mah­urang­sam-
peurkeun­waé,­naon­mak-
sudna­éta­jalma.­Saupama
hadé­rupa­keun­wé­sina­mi-
garwa­Arum­Sari,“­cék­Arum
Endah­ngaheureuyan­adina.­
Atuh­tilu­putri­geulis,
geuwat­maruru­jalma­anu­keur
tapa­bari­teu­weléh­heureuy
silih­oconan.­Curug­Guha
Badak.­Sagalaherang.­Geus
méh­40­poé­di­jreona­aya­hiji
satria­anu­keur­menekung
CCaritaPondok
Carpon Luki Muharam
23Manglé 2475
museurkeun­du’ana­ka­Alloh
SWT.­Raden­Jayasasana­lain
jalma­atah-atah,­inyana­putra
Dalem­Wangsagoparana,
ulama­Cirebon­anu­nyebar­-
keun­agama­Islam­di­Subang.
Jayasasana­réngsé­nyuprih
élmu­agama­di­pasantrén­Am-
paran­Jati­Cirebon.­Najan
ménak­rembesan­kusumah,
Jayasasana­resep­nyepén,­kuru
cileuh­kentel­peujit.­Resep­ta­-
tapa­di­tempat­suni.­Komo
saupama­meunang­pancén­ti
ramana,­atawa­Sultan­Cirebon
mah,­inyana­teu­weléh­man-
teng­muntang­ka­Alloh­SWT.
Harita­ogé­Jayasasana,­réngsé
meunang­tugas­ti­Panembahan
Ratu­Sultan­Cirebon­sangkan
muka­pilemburan­di­antara
Wahangan­Citarum­jeung­Wa-
hangan­Cisokan,­nu­teu­jauh­ti
Cibalagung.­Jayasasana­meu-
nang­pancén­sangkan­nyieun
pamaréntahan­wawakil­Cire-
bon.­Megung­pangaruh­Kasul-
tanan­Banten­jeung­Sumedang
Larang­di­wilayah­urut­kara-
jaan­Pajajaran.­
Di­Curug­Guha­Badak,
Jayasasana­hayang­dituduh­-
keun­tempat­anu­merenah
pikeun­ngalaksanakeun­tugas
ti­Sultan­Cirebon.­Menekung
diuk­luhureun­batu­di­jero
guha,­mapatkeun­sagala
amalan­Al­Quran.
“Oh,­itu­Tétéh­jalma­soléh
téh.­Geuning­kasép­pisan,“­cék
si­bungsu­Arum­Wangi­bari
montél­ka­lanceuk-lanceukna
anu­sarua­colohok.­
Rasa­kataji­karasa­ogé­ku
Arum­Endah.­Malah­leuwih­ti
kitu.­Aya­rasa­anu­béda­anu
teu­pupuguh­ngageterkeun
jero­dadana.­Rasa­cinta­nu
nyaliara­ka­nu­kasép­Jayasa­-
sana,­nu­teu­disangka-sangka.
Putri­geulis­nu­tiluan,­laju­da­-
riuk­timpuh­di­kénca-katu­hu­-
eun­Jayasasana.­Taya­anu
lemék­nyarita.­Kabéh­kasirep
ku­kagagahan­satria­anu­keur
tapa.­Arum­Endah­laju­teu
kuat­nahan­rasa­dina­dadana.
Putri­cikal­Syeh­Jubaedi­ieu
ceurik­leutik­teu­wasa­nahan
asmara.­Ceurik­lain­hanjelu,
tapi­ceurik­sieun­Jayasasana
lain­jodo­keur­dirina.­Arum
Sari­jeung­Arum­Endah­surti.
Duanana­laju­sumkem­ka
lanceukna­ninggalkeun­Arum
Endah­anu­rék­mastikeun­pa-
pasténna.­
Lila-lila­ceurik­leutik­Arum
Endah­najan­ditahan-tahan
beuki­ngagukguk,­ngaganggu
Jayasasana­anu­keur­tapa.­
“Saha­anjeun?­Mun­jin­anu
rék­ngagoda­geuwat­nying­-
kah,“­cék­Jayasasana­bari
muka­panonna­saeutik,­neu-
teup­anteb­ka­wanoja­geulis­nu
teu­pupuguh­aya­di­gigireun­-
ana.­Jayasasana­geuwat
mapat­keun­du’a­pamunah
pikeun­sagala­mahluk­anu­rék
jahat­ka­dirina.­Ngan­weléh­éta
putri­geulis­téh­kalah­ka­beuki
anteng­ningalikeun­wujudna.­
“Duh­Engkang,­satria­anu
soléh.­Rayi­wasta­Arum­Endah
putrina­Syeh­Jubaedi,­raja­jin
Tengger­Agung.­Seja­masrah­-
keun­diri­ka­salira,­hoyong­di­-
pigarwa­seja­babakti­dunya
ahérat,“­cék­Arum­Endah­bari
nyembah­acong-acongan­ka
Jayasasana.­
Lila-lila­kageulisan­Arum
Endah­beuki­ngabéngbat­anu
keur­tapa.­Daya­asmara­mimiti
nyaliara­kana­dada­Jayasasa­-
na.­
“Heug­ku­kaula­dikawin.
Ngan­omat­saupama­urang
boga­anak,­Rayi­saeutik­ogé­teu
meunang­pipilueun­ngurus
jeung­ngatikna.­Keun­wé
kumaha­Kakang.­Sanggup?“
cék­Jayasasana.­
Arum­Endah­anu­keur­kaé-
danan­teu­mikir­kitu-kieu­deui,
langsung­nyanggupan­sarat­ti
Jayasasana.
Jayasasana­jeung­Arum
Endah­laju­dikawinkeun­di
karajaan­jin­Tengger­Agung.
Malah­dipasrahan­tahta­nga-
ganti­mitohana.­Ngan­inyana
nolak­kusabab­boga­pancén­ti
Sultan­Cirebon.­Tina­jatukrami
jeung­Arum­Endah­laju­lahir
putra-putri­karasép­jeung
geulis­nyaéta­Raden­Suryakan-
cana,­Raden­Endang­Kancana,
jeung­Raden­Andaka­Wiru­Sa-
jagat.­Jayasasana­laju­dianu-
grahan­gelar­Raden­Aria
Wiratanu­ku­Sultan­Cirebon,
sanggeus­bisa­muka­pamarén-
tahan­anyar­sisi­wahangan
Cikundul,­ku­rahayatna­meu-
nang­mawa­ti­Sagalahérang­in-
yana­sok­disebut­Dalem­Cikun­
dul.­Tilu­putrana­beuki­gedé
waé­keur­meumeujeuhna
resep­arulin­di­buruan.­Para
dayang­jeung­hulu­balang­teu
weléh­ngajaga.­Sanggeus
Dalem­Cikundul­beuki­ri-
weuheun­ku­urusan­nagara,
nya­beuki­saeutik­waé­waktu
keur­Suryakancana­jeung­adi-
adina.­Katambah-tambah
Dalem­Cikundul­migarwa
wanoja­ti­papada­jalma­nyaéta
Dewi­Amitri­ti­karajaan­Jam-
pang­Manggung­jeung­Nyai
Raden­Ajeng­ti­Banten.­Atuh
waktu­keur­anak-anakna­beuki
ngurangan.­­Ari­nu­jadi­in-
dung,­Arum­Endah,­teu­leupas
merhatikeun­tilu­buah­atina
saban­poé.­Najan­nyeri­batin
teu­bisa­mangku,­teu­bisa­nga-
galéntor­ka­anak-anakna,
Arum­Endah­dibarengan­ku
Arum­Paka­dayangna­ngan
neuteup­anteb­bari­napak
méga­di­luhureun­anak-
anakna­nu­keur­anteng­arulin.
Arum­Endah­sok­milu­seuri
mun­anak-anakna­keur­saruka
bungah.­Pon­kitu­deui­saba-
likna,­batinna­ceurik­mun­tilu
buah­atina­keur­tunggara.­
Hiji­waktu­niatna­geus
buleud,­rék­kumaha­waé
carana,­anak-anakna­kudu
kabawa­ka­nagara­jin­tempat­-
na.­Najan­dianggap­sulaya­ku
Dalem­Cikundul­kajeun­teuing.
“Arum­Paka,­kula­geus
buleud­rék­mawa­anak-anak
kaula­ka­dieu.­Najan­bakal
dibendu­ku­Kakang­Jayasasa­-
na­ogé,“­pokna­bari­tuluy­muru
imah­tempat­anak-anakna.
Harita­téh­wanci­sareupna.
Kabeneran­Dalem­Cikundul
keur­di­garwa­anu­séjén.­Arum
Endah­laju­nebarkeun­aji­pa-
nyirep­sangkan­kabéh­jalma
jeung­kabéh­mahluk,­sararé
tibra.­Suryakancana­jeung­adi-
adina­anu­keur­diayun­ku
samping,­sapada­harita­leungit
tina­tempatna­dibawa­ka­na-
gara­jin­Tengger­Agung­ku­in-
dungna.­Sanggeus­lantip
sagala­urusan,­Arum­Endah
laju­ngagero­sacara­batin
Dalem­Cikundul­sangkan
manggihan­dirina­di­Curug
Guha­Badak.­
“Aya­naon­rayi?­Mani­hari-
weusweus­ngagero­kakang?“
cék­Dalem­Cikundul.­
“Kakang­Jayasasana,­yayi
seja­balaka­réhna­barudak­sa-
dayana­parantos­dibantun­ku
rayi.­Ayeuna­tos­araya­di­kara-
ton­Tengger­Agung.­Kakang
tangtos­bakal­bendu.­Mangga
téh­teuing.­Tapi­rayi­tos­buleud
seja­mayunan­Kakang­kumaha
waé.­Sangkan­barudak­ulah
kacandak­deui­ka­Kakang,“
pokna.­Rey­amarah­Jayasa­-
sana­nyelesek­dadana.
“Mun­kitu­mah­hubungan
urang­ngan­tepi­ka­ayeuna,
Rayi.­Urang­kudu­pepegatan
kusabab­rayi­sulaya,“­cék
Jayasasana.­
Inyana­laju­teu­kedal­deui
ucap.­Ngan­geuwat­maca
istighfar,­sabab­dilain-lain­ogé
Arum­Endah­téh­indung­anak-
anakna.­
“Mangga­Kakang,­rayi­seja
nampi.­Mung­sateuacan­urang
paturay,­Rayi­seja­ngadugi­-
keun­uga­jeung­rama­Syeh
Jubaedi­kanggo­nagara­anu­ku
Kakang­ayeuna­dipingpin,
dalapan­rundayan­kakang­ti
garwa­bangsa­manusa­baris
mingpin­éta­nagara,“­cék­Arum
Endah.
“Enya­alus­ari­kitu­mah.
Dugikeun­baé­salam­baktos­ka
Rama.­Ngan­Rayi­omat­ulah
ngahalang-halang­saupama
Kakang­jeung­rundayan
Kakang­ti­bangsa­jalma,
hayang­panggih­jeung
Suryakancana­ogé­adina-
adina,­amit­mundur­rayi,“­cék
Jayasasana.­Laju­Arum­Endah
ogé­ngaleungit,­bari­ningal­-
keun­seungit­nu­nyambuang.
***
Catetan:
Dalem Cikundul téh Bupati Cian-
jur munggaran nu mingpin Cianjur ti
taun 1677 nepi ka taun 1691 M.
Nyangking gelar Raden Aria
Wiratanu I. Pupus taun 1691 dina
yuswa 94 taun dikurebkeun di pasir
Gajah kampung Majalaya Desa Cija-
gang Kac. Cikalong Kulon Kab. Cian-
jur. Aya dalapan Bupati Cianjur
turunan Dalem Cikundul rata-rata
nganggo gelar Raden Aria Wiratanu
atawa Wiratanu Datar. Putra Dalem
Cikundul ti Arum Endah nyaéta
Raden Suryakancana, jadi kareueus
urang mana waé,. Malah ku urang
Tiong Hoa disadiakeun rohangan pa-
mujaanana di kelenténg. Dijadikeun
ngaran Paguron Luhur jeung ngaran
markas Komandan Resor Militer
Suryakancana / TNI-AD, di Bogor.
Raden Suryakancana saur para
sepuh ngageugeuh Gunung Gede
Cianjur. Ari Arum Endah ngageugeuh
Gunung Ceremay Kuningan, disare-
ngan ku Endang Kancana, sedeng-
keun Andaka Wiru Sajagat nyare
ngan Syeh Jubaedi dugi ka ayeuna.
K
arék­ningali
dedegana­ti
luar,­kantor
téh­geus
katémbong
geueuman­-
ana.­Wawangunan­ngaharib-
harib­modél­Walanda,­moal
jauh­diadegkeunana­ogé­nya
patutur-tutur.­Kangaranan
gedung­heubeul,­komo­ku-
rang­ngurus­siga­kieu,­geus
cop­pasti­aya­nu­ngageu­-
geuhna,­moal­salah­jadi­tem-
pat­bumetahna­jurig­jeung
dedemit.
Ari­ku­butuh­mah­ka­-
sieun­ogé­éléh.­Waktu­dipa-
pancénan­gawé­jadi­pasapon
di­kantor­majalah­nu­nga­-
rangkep­percetakanana,­teu
mikir­dua­kali,­ditarima­waé.
Jaman­kiwari,­néangan­gawé
téh­apan­sakitu­héséna,­ari
ieu­sasatna­aya­nu­nawaran,
bari­teu­kudu­riweuh­ngala-
mar.­Gampang­ari­aya­urang
jero­mah,­asup­gawé­dibawa
ku­Mang­Suhéndar,­dulur
jauh­kuring­nu­pada-pada
urang­Garut.
Rohanganana­lalega,­di-
pasieup­ku­pakakas­antik­nu
mayoritas­bahanna­tina­kai.
Ngan­hanjakal,­siga­nu­rada
kurang­ngurus­kantor­téh.
Keur­mah­wawangunan
heubeul­atuh­puguh­mun
pikakeueungeun­téh.­Tapi
teu­nanaon,­pan­ayeuna­mah
aya­kuring­nu­dipapancénan
ngurusna.
“Geus­sabulan­tara­aya
nu­bébérés­di­kantor­téh,
Cep!­Ieu­gé­sok­sacabak-
cabakna­waé­ku­nu­daraék,”
ceuk­Mang­Suhéndar,­“Si
Odin,­pasapon­nu­karék­dua
bulan­gawé­kaluar,
ngomongna­mah­cenah­rék
ngalongok­indungna­nu­ge­-
ring.­Tapi­ditungguan­sabu-
lan­teu­jol­kénéh­waé,”­kituna
téh­bari­nuduh-nuduhkeun
rohangan­jeung­méré­intruk­-
si­pigawéeun­ka­kuring.
Lamun­tilu­bulan­kapaké
gawéna,­kuring­bakal­di-
angkat­jadi­karyawan­tetap
cenah.
“Ngan­rék­balaka­waé
Mamang­mah­Cep,­cenah­sok
aya­nu­kawénéhan.­Lain­rék
nyingsieunan,­ngan­ieu­mah
ngabéjaan­waé.­Bisi­Acep
pareng­manggihan,­tong
reuwas­jeung­sieun,­keun
waé­da­nu­kitu­mah­béda
alam­jeung­urang.­Mamang
mah­teu­percaya­puguh­ka­nu
kararitu­mah,”­ceuk­Mang
Suhéndar.­Sabada­beres
nuduh-nuduhkeun­pancén
kuring­ka­unggal­rohangan
tuluy­ka­lantai­dua,­asup­ka
kamar­leutik,­kira-kira­ukur­-
an­tilu­ka­tilu.
Kuring­mah­ukur­unggut-
unggutan.
“Kumaha­kira-kirana
bakal­betah?”­pokna­deui.
“Betah­Mang,”­cekeng
ngajawab­kalawan­yakin.­Teu
betah­ogé­kudu­ngabetah-
betah­manéh,­da­di­lembur
ogé­rék­gawé­naon,­nu­puguh
mah­kalah­nyusahkeun­in-
dung­jeung­bapa.­Barina­ogé
asa­can­pernah­aya­béja­nu
paéh­dihakan­jurig­ari­lain
dina­film­mah.­Nu­puguh
mah­paéh­ku­kasieun­jeung
cilaka­ku­polah­sorangan.
“Ieu­kamar­Acep,”­ceuk
Mang­Suhéndar­deui­bari
ngasongkeun­konci­unggal
rohangan­nu­kudu­ku­kuring
diberesan­jeung­konci­kamar
misah.­Mang­Suhéndar­mah
gawéna­di­bagian­distributor,
purah­ngiangkeun­majalah
ka­agen-agen­nu­sumebar­di
saban­daérah.
Sajungna­Mang­Suhén-
dar,­kuring­mah­ngahuleng
waé­di­kamar­bari­melongan
fasilitas­nu­aya­di­kamar.­Aya
ranjang­jeung­kasur­nu­geus
lényéd,­méja­leutik­jeung­lo-
mari.­­­Aya­ogé­jandéla­nu
nyinghareup­ka­tukang.­Teu
kaciri­nanaon­ari­lain­témbok
mah,­da­ditukang­téh­aya
wangunan­tilu­lantai­ngaje-
gir.­Jarakna­ukur­saméter­nu
dipisahkeun­ku­susukan.
Bérés­meresihan­kamar
jeung­mémérés­baju­mah,
kuring­tuluy­ngecek­unggal
rohangan­nu­aya­di­lantai­2.
Rohanganana­henteu­salega
lantai­1,­da­diloténgkeunana
ogé­ngan­sapertiluna­tina
gedé­wangunan,­ngarah­ka
bagian­tukangna.­Di­lantai
dua­mung­aya­rohangan
dapur,­wc,­rohang­rapat,­per-
pustakaan,­dokuméntasi,
kamar­tilu­jeung­nu­ditem-
patan­kuring,­jeung­musola.
Bérés­ngecekan­rohangan
lantai­2­teu­buru-buru­ka-
handap,­rada­canggung
kénéh­rék­ngabaur­jeung
karyawan­lain­téh,­mimiti
gawé­ogé­isuk­pangpangna
mah.
*
Geus­meunang­sabulan
gawé­téh.­Betah­waé­nu­aya,
sok­sanajan­kalan-kalan­sok
asa­sono­ka­lembur,­ka­ema
jeung­ka­apa­pangpangna
mah.­Ah,­keun­waé­da­biasa
éta­mah,­gogoda­keur­anu
anyar­ngumbara­mun­ceuk
Mang­Suhéndar­mah.­Ting-
gal­ngabiasakeun,­da­awal
ahir­ogé­apan­kudu­papisah
jeung­indung­bapa­mah,­ku­-
ring­kudu­rumah­tangga.
Ayeuna­pajauh,­nya­itung-
itung­ngabiasakeun­manéh
waé.
Enya­waé­nu­dicaritakeun
Mang­Suhéndar­téh,­loba
pisan­dédéngéan­nu­teu
pararuguh­méh­ampir­unggal
peuting.­Ti­mimiti­telepon­nu
sok­ngirining­peuting-peu­-
ting,­tempo­diangkat­taya­nu
nyoara.­Leuheung­onaman
mun­sakali­mah,­da­ieu­mah
noron­aya­kana­belasan
kalina.­Ah,­meureun­ruksak
waé­teleponna,­teu­jadi­sieun.
Isukna­waé­kuring­laporan
ka­bagian­personalia.­Tapi
telepon­téh­kitu­deui­kitu
deui,­nu­jail­meureun­ceuk
petugas­telepon­nu­ngahaja
didatangkeun­ka­kantor­téh.
Ari­nu­matak­kuring­rada
keueung­mah,­nya­éta­di­kan-
tor­téh­loba­lukisan­jeung
foto-foto­jalma­nu­gararedé.
Komo­éta­ku­lukisan­nu­aya
di­rohang­panarimaan­tamu
jeung­ruang­rapat­dilantai­2,
sok­sanajan­lukisan­wanoja
geulis,­ari­keur­sorangan­di
kantor­mah­bet­asa­pika­-
sieun­eun,­mun­pareng­dipe-
long­siga­nu­malik­melong,
bari­asa­siga­gular-giler
hirup.­Hiyyy.­Éta­mah­mung
saukur­rarasaan­kétang,­per-
bawa­kasieun.­Maenya­waé
aya­gambar­hirup.­
Hal­anéh­lain­waé­telepon
tengah­peuting,­da­aya­atur­-
an­listrik­pareum­teu­pu­-
puguh.­Lain­aliran,­da­ieu
mah­siga­aya­nu­ngomé,­nu
ngahurungkeun­jeung
mareuman­sababaraha­kali.
Manglé 247524
PPuridingPuringkak
Jurig Kajajaden
Ku Taufik Rahayu
(1)
25Manglé 2475
Ah,­meureun­koslét­cekeng
téh,­ngahaja­nyangka­kitu
ngalawan­kasieun.­Aturan
nepi­ka­sapeuting­jeput
pareum,­teu­jadi­soal.­Di­lem-
bur­mah­komo­unggal­saré
ogé­sok­mopoék.­Teu­hayang
nempo­kana­KWH­di­han-
dap,­mending­saré­waé.
Isuk-isuk­waktu­hudang,
listrik­téh­biasa­waé­hurung
deui.­Duka­polah­jalma­duka
polah­jurig,­ngan­asana­téh
teu­guna­gawé­mun­téa­aya
jurig­nyingsieunan­ku­tele-
pon­jeung­listrik,­asana­téh
teu­élit­pisan.­Mun­aya­jurig
bungkeuleukan­ngadatangan
kuring­ngajingjing­huluna­so-
rangan­atawa­awéwé­nu
tonggongna­gorowong,­karék
ngarasa­sieun­jeung­terus-
terang­kuring­arék­lumpat.
“Geus­papanggihan
Cep?”­ceuk­Pa­Haryono,
salah­sahiji­staf­bagian­perc-
etakan­hiji­poe,­“nu­sararé­di
dieu­téh­sok­teu­baretaheun,
da­nya­éta­sok­loba­nu
kawénéhan­cenah,­ti­mimiti
telepon­te­ngah­peuting,
listrik­nu­sok­hurung
pareum,­mesin-mesin­di
bagian­percetakan­nu­sok
hirup­sorangan,­di­ruang
rapat­siga­aya­nu­rapat­ten-
gah­peuting,­nepi­ka­nu­gege-
dor­kana­unggal­panto­mah
geus­dianggap­biasa.”
“Muhun­aya­Pa,”­cekeng
téh,­“tapi­keun­waé­ah­Pa,­da
béda­alam­jeung­nu­kararitu
mah.­Masing-masing­waé,­nu
penting­mah­teu­ngaganggu
jeung­teu­ngabahayakeun
waé.”
“Enya,­ngan­kadé­wé,­da
jurig­ayeuna­mah­sok­wani
ngarogahala,­tingali­waé­dina
film-film­jurig,”­ceuk­Pa
Haryono­deui­bari­ditungtu­-
ngan­seuri­ngahéhé,­nying­-
sieunan­tayohna­mah.
Korban­film­cekeng­téh
na­haté.­Tapi­teu­burung
kapikiran­ogé­omongan­Pa
Haryono­téh,­moal­boa­jurig
kota­mah­enya­wani­ngaroga-
hala.­Kuring­can­kungsi
ngadéngé­aya­nu­paéh­ku
jurig­téh­da­salila­ieu­cicing­di
lembur,­boa­di­kota­mah­teu
kitu.­
“Kungsi­cenah­baheula
mah­di­dieu­aya­kajadian­ra-
japati.­Enya­nu­sok­saré­di
dieu,­pasapon­saperti­Acep,
kasampak­geus­teu­nyawaan
di­rohangan­percetakan­ieu,
aya­nu­nyekek!”­Pa­Haryono
siga­beuki­serius­ngomongna,
kuring­jadi­pating­puringkak
sabulu-bulu.
“Saha­nu­matenina?”
cekeng­téh­panasaran.
“Enya­éta,­nepi­ka­kiwari
teu­kapanggih.­Tapi­saréréa
ogé­apal­éta­pasti­ku­jurig.­Da
di­kantor­ieu­mah­ngahaja
baheulana­dipelakan,­purah
ngajaga­kaamanan­kantor.
Bongan­sok­mindeng­loba
kaleungitan,”­ceuk­Pa­Har­-
yono­deui.
“Matak­kadang-kadang
mah­tengah­peuting­téh,­ieu
mesin-mesin­di­percetakan
sok­harurung­ku­sorangan,
cenah­mah­éta­téh­nu­ngahu-
rungkeunana­ririwa­si­Rah-
mat­pasapon­nu­maotna­teu
sampurna.­Mun­pareng
ngadéngé­ulah­kumawani
turun,­soalna­ririwa­si­Rah-
mat­rék­ngala­nyawa,­maténi
sangkan­aya­batur,”­pokna
deui.
Teu­pati­papanjangan
ngobrol­téh,­sok­sanajan­kaci-
rina­mah­Pa­Haryono­téh­siga
nu­resep­ngobrolkeun
perkara­jurig.­Tapi­teu­pati
ditanggap,­sok­sieun­nga­-
barubahkeun­jeung­manga­-
ruhan­kuring­nu­teu­pati
nganggap­jeung­kataji­ku
perkara­jurig-jurigan.­Enya
ogé­teu­pati­percaya­kana
jurig,­tapi­ngadéngé­aya­jurig
maéhan­mah,­nya­sieun­ogé.
Pangpangna­mah­nya­éta
sieun­dipaéhan,­sieun
dicekék.­Heug­kuring­saré­so-
rangan­di­ieu­kantor.
(lajengkeuneun)
CCarita Heubeul
K
i­Behi­wa­-
wanéna­bijil
deui,­sabab
cék­sangka­-
anana­pang­-
na­Dipati
Ukur­leuleuy­baé­téh,­sieun­-
eun­ku­manéhna.­Ku­kituna
timbul­rasa­unggul,­bijil
edirna,­bubuden­ngokop­ka
musuh.­Srog­maju­deui,­da
katénjo­Dipati­Ukur­mah­hen-
teu­nyekel­pakarang.­Barang
geus­deukeut­pisan,­henteu
antaparah­deui­kerewek­bahu
Dipati­Ukur­dicekel­ku­leung­-
eunna­nu­kénca,­barina­di-
geubig-geubig.­Omongna:
“Hayoh­siah­geura­gerak,
lamun­hayang­disasaak.
Upama­hayang­salamet,­geu­-
ra­pék­nukang,­leungeun­ma­-
néh­ku­kami­rék­dibarogod.
Sabot­ngomong­kitu,
leung­eunna­nu­nyekel­bahu
Dipati­Ukur,­dikelid­lepot
ngulapes­Ki­Behi­reuwas­asa
kageretak,­mundur­saléngkah
bari­ngulangkeun­gobangna.
Barang­rék­diheumbatkeun,
rikat­Dipati­Ukur­luncat;
pigeulangna­anu­dipaké
nyekel­gobang­diképrét.­Duka
kumaha,­gobang­téh­ngabele-
sat­ka­tukang,­guprak­ragrag
jauh,­aya­satumbakna,­Ki
Behi­luak-lieuk,­kojéngkang
rék­muru­deui­gobangna.
Barang­keur­ngojéngkang,
gancang­sukuna­diréngkas,
geblug­labuh­nangkuban
pisan.­Kokoséhan,­koréjat­hu-
dang­deui,­jung­nangtung
ngajega,­bari­ngeprukan­ba-
juna­nu­kotor­urut­labuh.­Ku
Dipati­Ukur­ditingalikeun­baé
satingkah­saparipolahna­ki
musuh,­bari­teu­kendat­imut.
Ki­Behi­rurat-rérét,­beung­-
eutna­beureum­kawas­beusi
atah­beuleum,­awakna­nga­-
gidir­bawaning­ku­ambek,
boga­rasa­diwiwirang.­Rék
muru­gobang,­henteu­tulus­da
rada­jauh,­sok­sieun­karéng­-
kas­deui.­Kék­kana­kerisna,
anu­nyolégréng­di­gigir­beu-
lah­kénca.­Gancang­dipesat
tina­warangkana,­sérénténg
muru­ka­Dipati­Ukur,­bari
nyudukkeun­kerisna.­Dipati
Ukur­rikat­nyingcet,­keris­téh
ukur­ngagiwar.­Ki­Behi­beuki
tambah­séwot,­terus­ngangseg
bari­nojos­ngénca­ngatuhu,
geus­teu­maké­ijiran­deui.
Dasar­Dipati­Ukur,­satria
tedak­patapan,­awas­tingal
seukeut­rasa,­gulak-gilek
cungcat-cingcet,­miceunan
panewek­musuh.­Atuh­anu
newekan­téh­henteu­bisa
noél-noél­acan­ngan­ukur­no-
josan­hawa.­Késangna­mung-
gah­ngoprot,­ambekanana
sesegor,­bawaning­nahan­ka-
capé.
Barang­katingali­ku­Dipati
Ukur­tanagana­geus­rék­sisip,
kerewek­leungeunna­nu­di-
paké­nyekel­keris­téh­dican-
dak­lebah­pigeulangna,­ku
pananganana­nu­kiwa.­Ari
pananganna­nu­katuhu­di-
paké­nyapit­keris,­ku­indung
leungeun­jeung­curukna,
pageuh­pisan.­Leungeun­ki
Behi­nu­dipaké­nyekel­keris
téa­dilésotkeun­deui.­Barang
karasa­geus­lépot,­gancang­Ki
Behi­nyentok­kerisna.­Tapi
henteu­bisa­lésot­tina­panya­-
pitna­Dipati­Ukur,­lir­ibarat
dicapit­ku­gégép­baé.­Hantem
dibebedol,­weléh­teu­daékeun
lepot.­Tarik­nu­ngabedol,
pageuh­nu­nyapit,­antukna
keris­téh­molonyon­tina
pérahna.­Atuh­Ki­Behi­blak
nangkarak­bengkang,­kawas
nu­dijengkangkeun­baé.­Ku
Dipati­Ukur­diburu,­dicandak
lebah­dadana,­bari­ngamang-
ngamangkeun­keris,­jiga­nu
rék­ditojoskeun.­Anjeunna
alon­nyaur:
“Pek­ayeuna­kumaha
pikarepeun­sampéan,­naha
rék­terus­ngalawan­atawana
arék­sumerah.­Tingali­ieu
pucuk­keris­anjeun,­moal­ka-
mana­gejosna,­tinangtu­niir
jajantung­sampéan."
Karasana­ku­Ki­Behi­geus
asa­gejos­asa­gejos­baé,­pok
ngawalon­bari­arapap-eure-
upeup:
“Sad­kaula­...­neda­hirup
ampun­...­hamo­kumawantun
deui­...”
Geus­ngomong­kitu­mah
gancang­ku­Dipati­likur­dihu-
dangkeun,­lahirna:
“Sukur­sampéan­geus
Manglé 247526
{ 99 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475
Mangle 2475

More Related Content

What's hot

Presentasi SID
Presentasi SIDPresentasi SID
Presentasi SIDCipu 38
 
I giochi di Elspet e Jos
I giochi di Elspet e JosI giochi di Elspet e Jos
I giochi di Elspet e JosGiusi Landi
 
Perdes no. 12 th 2015 ttg mobil siaga
Perdes no. 12 th 2015 ttg mobil siagaPerdes no. 12 th 2015 ttg mobil siaga
Perdes no. 12 th 2015 ttg mobil siagaari saridjo
 
Contoh proposal pemekaran dusun desa embung kandong
Contoh proposal pemekaran dusun desa embung kandongContoh proposal pemekaran dusun desa embung kandong
Contoh proposal pemekaran dusun desa embung kandongUHELSUHERMAN
 
12687eir ppei 0809
12687eir ppei 080912687eir ppei 0809
12687eir ppei 0809Samir Salman
 
PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020
PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020
PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020Strobillus Found
 
Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)
Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)
Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)dausinstitute
 
Lppd akhir masa jabatan 2007 2013
Lppd akhir masa jabatan 2007 2013Lppd akhir masa jabatan 2007 2013
Lppd akhir masa jabatan 2007 2013Abdul Kohar
 
Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...
Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...
Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...Dadang Solihin
 
Format Buku kk
Format Buku kkFormat Buku kk
Format Buku kkHardhy Fly
 
Tragedi jakarta 1998
Tragedi jakarta 1998Tragedi jakarta 1998
Tragedi jakarta 1998Indah W
 
Resensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh Bobo
Resensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh BoboResensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh Bobo
Resensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh BoboAgnes Yodo
 
Sepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot PerawanSepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot Perawanbeesingle41
 
Sepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot PerawanSepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot Perawanbeesingle41
 
Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015
Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015
Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015Fajar Sany
 

What's hot (20)

Pengantar perangkat desa sukamulya
Pengantar perangkat desa sukamulyaPengantar perangkat desa sukamulya
Pengantar perangkat desa sukamulya
 
Presentasi SID
Presentasi SIDPresentasi SID
Presentasi SID
 
I giochi di Elspet e Jos
I giochi di Elspet e JosI giochi di Elspet e Jos
I giochi di Elspet e Jos
 
Harvest moon btn
Harvest moon btnHarvest moon btn
Harvest moon btn
 
Kisah nyi roro
Kisah nyi roroKisah nyi roro
Kisah nyi roro
 
Perdes no. 12 th 2015 ttg mobil siaga
Perdes no. 12 th 2015 ttg mobil siagaPerdes no. 12 th 2015 ttg mobil siaga
Perdes no. 12 th 2015 ttg mobil siaga
 
Contoh proposal pemekaran dusun desa embung kandong
Contoh proposal pemekaran dusun desa embung kandongContoh proposal pemekaran dusun desa embung kandong
Contoh proposal pemekaran dusun desa embung kandong
 
SK Panitia Festival Bandeng Mrico
SK Panitia Festival Bandeng MricoSK Panitia Festival Bandeng Mrico
SK Panitia Festival Bandeng Mrico
 
12687eir ppei 0809
12687eir ppei 080912687eir ppei 0809
12687eir ppei 0809
 
PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020
PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020
PERATURAN DESA APBDES MURNI 2020
 
Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)
Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)
Cerpen anak+sejuta+lumpur (1)
 
Lppd akhir masa jabatan 2007 2013
Lppd akhir masa jabatan 2007 2013Lppd akhir masa jabatan 2007 2013
Lppd akhir masa jabatan 2007 2013
 
Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...
Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...
Dinamika Perubahan Budaya dan Tantangan Literasi Digital terhadap Masyarakat ...
 
Format Buku kk
Format Buku kkFormat Buku kk
Format Buku kk
 
Tragedi jakarta 1998
Tragedi jakarta 1998Tragedi jakarta 1998
Tragedi jakarta 1998
 
Resensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh Bobo
Resensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh BoboResensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh Bobo
Resensi cerpen "Sahabat" diterbitkan oleh Bobo
 
Cerpen "Rahasia ayah"
 Cerpen "Rahasia ayah" Cerpen "Rahasia ayah"
Cerpen "Rahasia ayah"
 
Sepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot PerawanSepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot Perawan
 
Sepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot PerawanSepupu Ku Yang Hot Perawan
Sepupu Ku Yang Hot Perawan
 
Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015
Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015
Kumpulan Cerpen Fajar Sany: Desember 2014 - Mei 2015
 

Viewers also liked (20)

Mangle 2483
Mangle 2483Mangle 2483
Mangle 2483
 
Mangle 2466
Mangle 2466Mangle 2466
Mangle 2466
 
Mangle 2477
Mangle 2477Mangle 2477
Mangle 2477
 
Mangle2481
Mangle2481Mangle2481
Mangle2481
 
Mangle 2476
Mangle 2476Mangle 2476
Mangle 2476
 
Mangle 2479
Mangle 2479Mangle 2479
Mangle 2479
 
Mangle2480
Mangle2480Mangle2480
Mangle2480
 
Mangle 2482
Mangle 2482Mangle 2482
Mangle 2482
 
Mangle 2472
Mangle 2472Mangle 2472
Mangle 2472
 
Mangle 2474
Mangle 2474Mangle 2474
Mangle 2474
 
Mangle 2468
Mangle 2468Mangle 2468
Mangle 2468
 
Mangle 2473
Mangle 2473Mangle 2473
Mangle 2473
 
Mangle 2455
Mangle 2455Mangle 2455
Mangle 2455
 
Mangle 2467
Mangle 2467Mangle 2467
Mangle 2467
 
Mangle 2471
Mangle 2471Mangle 2471
Mangle 2471
 
Mangle 2461
Mangle 2461Mangle 2461
Mangle 2461
 
Mangle2465
Mangle2465Mangle2465
Mangle2465
 
Mangle 2458
Mangle 2458Mangle 2458
Mangle 2458
 
Mangle2463
Mangle2463Mangle2463
Mangle2463
 
Mangle 2462
Mangle 2462Mangle 2462
Mangle 2462
 

Similar to Mangle 2475

MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448mitra_sunda
 
Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2435
Mitra Sunda WA - Mangle 2435Mitra Sunda WA - Mangle 2435
Mitra Sunda WA - Mangle 2435mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445mitra_sunda
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438mitra_sunda
 

Similar to Mangle 2475 (13)

Mangle 2452
Mangle 2452Mangle 2452
Mangle 2452
 
Mangle 2451
Mangle 2451Mangle 2451
Mangle 2451
 
Mangle 2478
Mangle 2478Mangle 2478
Mangle 2478
 
MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448MSWA Mangle 2448
MSWA Mangle 2448
 
Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441Mitra Sunda - Mangle 2441
Mitra Sunda - Mangle 2441
 
Mangle 2464
Mangle 2464Mangle 2464
Mangle 2464
 
Mangle 2459
Mangle 2459Mangle 2459
Mangle 2459
 
Mangle_2460
Mangle_2460Mangle_2460
Mangle_2460
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2435
Mitra Sunda WA - Mangle 2435Mitra Sunda WA - Mangle 2435
Mitra Sunda WA - Mangle 2435
 
Mangle 2450
Mangle 2450Mangle 2450
Mangle 2450
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445MSWA - Mangle 2445
MSWA - Mangle 2445
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
 

Mangle 2475