Mitra Sunda WA - Mangle 2438

9,405 views

Published on

Mitra Sunda WA - Mangle 2438

0 Comments
1 Like
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

No Downloads
Views
Total views
9,405
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
12
Actions
Shares
0
Downloads
24
Comments
0
Likes
1
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mitra Sunda WA - Mangle 2438

  1. 1. P ilihan umum 2014 ukur sababaraha bulan deui. Masing-masing nu boga karep miang ka Senayan tatahar, bebekelan. Nu pangpentingna, babawaan teh ‘pangrojong’ masarakat. Paracalon, boh DPR boh DPD RI, butuh pangdeudeul masarakat ti tempat pamianganana. Karep miang ka Senayan luyu jeung pancénna, ngu- rus ngatur pamaréntahan sarta bajoang keur kapenti- ngan masarakat hususna nu diwakilanana umumna mah Indonesia. Nilik ka dinya, boh DPR boh DPD ngemban pancen nu lain joré-joré, da lian ti ngemban pancén nagara téh, ogé deuih mawa harepan masarakat. Sanggeusna boga wewenang di legislatif sawadina mampuh ngalaksanakeun amanah. Hartina, nu kapilih téh misti bener-bener nu panghadéna ti antara calon nu milu tarung dina pilihan umum. Di dieu mah, nu dipilih jeung nu milih téh kudu pada-pada maphum kana masing-masing pancén. Nu hayang dipilih kudu némbongkeun karep, kamapuhan jeung ketakna nu kai- jir pantes jadi utusan nu miang ka Senayan. Nu rek milih deuih misti titén kana pakarepan jeung kamampuhan paracalon. Miharep dukungan masarat memang teu gampang. Komo deui, sora-sora silung ka para wawakil rahayat teu weléh nongtoréng. Nu kawas kitu téh, bisa jadi cukang lantaran partisipasi kana pilihan umum gé loba nu puraga tamba ka dengda! Kayaan kitu, butuh ajén wawakil rahayat nu lain waé boga kamampuhan, tapi deui meunang kapercayaan masarakat. Kapilihna parautusan nu nyumponan pasaratan kawas kitu, ngan bisa tinekanan upama rahay at nu boga hak milihna daék milih kalayan tinimbangan anu asak. Ukuran basajanana mah, bisa nilik kana tapak lacak lalampahanana. Di dinya bisa kasaksén pantes henteuna arinyana ngemban harepan masarakat. *** Nu Mariang ka Senayan 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  2. 2. BAHASAN Parobahan Kalima UUD 1945; Ti DPD-RI Jawa Barat keur Nguatan Nagara....................................................... 8 RANCAGÉ Niténan Alam Maca Jagat Tatar Sunda .................. 17 PURIDING PURINGKAK Kuntilanak Andang S. Argayuda ....................... 24 IMPLIK-IMPLIK Wisata Alam Mekarkeun Kapunjulan Lembur............................................. 46 KOLOM Pemilu 2014, “Menunggu Godot”? Dede Marian.............................................31 Quran Tarjamah Kemenag RI Usép Romli HM...................................... 49 SAJAK Umur 64 Taun Usép Romli HM .............................. 48 CARITA PONDOK Anaking jeung Bulan Puasa Anggi Novia Dewi ............................. 20 Kakawihan Dede Syafrudin .................................. 22 Jihad Risnawati ........................................... 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Tanya Jawab Munara Cahya ............. 16 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Mangle Rumaja .................................. 32 Katumbiri .......................................... 37 Nyusur Galur .................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 CARITA NYAMBUNG Carita Sarebu Samalem (169) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (8) M.A. Salmun ............................................................. 12 ­Sekar­Manglé LANY 5 LAPORAN Capres ti Tatar Sunda Ngahudangkeun nu keur Tibra Potret:Reisyan Enduy cinutrung di juru stasion, niténan jalma-jalma nu pabaliut ka ditu ka dieu bari rébo ku sagala rupa babawaan. Di hareupeun lokét, antayan jalma kacida panjangna, lir nu keur arulin oray- orayan. Ari di handap, ngabarak jalma jeung barang-barang.......... 20 Kakawihan Panata Rias & Raksukan: Sanggar Ayu Busana (Galery Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9 Ujungberung – Bandung Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408
  3. 3. Pamingpin N u kumaha ari pamingpin nu alus téh? Nu nyaaheun ka rayatna. Ari ayeuna aya kénéh pamingpin anu kitu? Ari éta Pa Béyé kurang kumaha nyaah ka rayatna. Sagala rupa diaya-ayakeun. Keur rayatna nu beunghar, hayang naon baé disampakkeun. Mobil nu poé ieu kaluar ti pabrikna di Jepang, bulan hareupna geus aya di Jakarta. Atuh keur anu mariskin ogé teu dipopohokeun. Geus sababaraha kali ngayakeun program nulungan nu miskin. Nu pangahirna BLSM téa. Tapi geuning di Bandung Barat baé aya 5418 kartu BLSM anu dipu- langkeun deui lantaran salah ala- mat. Puguh nyaéta atuh. Kitu tah di urang mah. Program nu sakumaha alusna ogé ari dina prak dijalan- keunana ngaco mah angger wé moal kaarah mangpaatna. Beuki tétéla baé, teu cukup ku ayana rencana anu alus. Angger kudu digarapna ogé bener deuih. Ari anu kajadian ayeuna, apan tacan kitu. Nu narima kartu BLSM gé teu kurang-kurang anu imahna ngajegir. Na ku naon atuh bet dina derna sok kitu jeung kitu baé? Soal éta tah anu teu anggeus- anggeus téh. Nu ngaranna Ke- menterian Penertiban Aparatur Negara mah geus sababaraha kali ayana. Tapi hasilna tacan katém- bong. Padahal pan nya éta nu jadi tugas utamana téh. Teu bener di- gawéna kitu? Atawa baredegong? Sigana mah duanana. Nu ngaranna birokrasi di urang rudetna kabina-bina. Geus jadi kacapangan pan di urang mah. Lamun pagawéan bisa dihésé-hésé, na ku naon maké kudu disina gampang? Nyusahkeun batur téh geus jadi pamaké jeung pangaresep bangsa urang umumna. Duka teuing naon sababna pangna nepi ka kararitu. Padahal boh ceuk papagon hirup papada manusa, komo deui lamun dipatalikeun jeung agama, ngahésékeun batur téh lain pagawéan anu pantes dipuji. Komo mun dipatalikeun jeung gan- jaran mah. Dina urusan éta pamaréntahan SBY bisa disebut gagal. Hartina, sarua waé jeung pamaréntahan nu saméméhna. Kakara nepi kana pidatona tacan bari jeung prakna. Tapi lamun ngabandungan naon anu keur dihanca ku Jokowi jeung Ahok di Jakarta, geuning éta bisa? Maksud téh apan palaturanana mah nu aya di sakuliah nagara éta-éta kénéh. Lamun kitu mah atuh lain a- turanana anu salah téh tapi jelem- ana. Tinggal ayeuna mah kumaha milih jelema anu pantes dijadikeun pamingpin. Lebah dinya bakal karasa banggana. Nu hayang loba, tapi nu pibenereun mah duka. Naha bener geus hésé kabina- bina néangan jelema anu bener di urang téh? Mun rék disebutkeun kitu, aya benerna. Da buktina, geus sababaraha kali urang ganti pa- mingpin boh di tingkat pusat boh di tingkat daérah, apan ngan misalah jeung misalah baé. Awalna disangka enya ari dina derna kalah matak handeueul. Karepna mah, lantaran urang nu bakal milihna, nya tinggal der wé atuh. Tapi dina prakna mah apan anu kudu dipilih ku urang téh ngan kitu jeung kitu baé. Sakalina urang teu milu milih angger wé anu meu- nang téh nu dipilih ku batur. Undang-undang di urang tacan aya anu netepkeun yén lamun rayat anu milihna kurang ti 70 persén, upamana, dianggap teu sah. Tangtu wé bakal loba nu teu satuju kana pasaratan nu saperti kitu mah. Bakal matak capé kana gawé jeung bakal matak olok kana ongkosna. Papadaning kitu lain hartina kudu diantep kumaha saayana baé. Ka hareupna kudu terus ditarékah- an yén dina prosés milih pamingpin téh kudu ditangtayungan ku aturan hukum anu henteu beurat sabeulah. Nu aya ayeuna mah pan mang- meunangkeun pisan parpol. Baku- karna geus karasa, nu ngaranna parpol téh mani asa pangbenerna. Jeung da maranéhanana mah teu mikir ngeunaan kualitas parpol. Nu pasti mah hayang jeneng wé. AM Manglé 2438 3
  4. 4. 4 Manglé 2438 Sabada Halal Bihalal Assalamu’alaikum Wr. Wb. Kapayunan Ais Pangampih Manglé, Simkuring seja ngadugikeun salam silaturahmi. Ais Pangampih, ieu mah pédah kaleresan maos Manglé, jorojoy hoyong nyerat dina ko- ropak, perkawis kabiasaan urang nu beuki tumpur. Nya di- antarana kamulyaan man- jangkeun silaturahmi. Komo, sabada boboran siam 1434 H, tangtos acara pataréma-réma sok pada ngayakeun. Tah, kabi- asaan hoyong silihhampura kawas dina halal bihalal, saé pisan. Mudah-mudahan ieu kabiasaan natrat nepi ka jadi biasa diluar usum lebaran, ogé, sahanteuna tiasa ngobatan pasi- patan urang tina sikep sili- hjongklokeun silihpoyokan, jadi silihélédan, silihlengkepan, sili- hwasiatan dina bebeneran sareng kasobaran. Komo di nagara urang aye- una, teu weléh leupas tina masalah. Balukar seueur masalah, pasti keur nu nan- jeurkeun hukum kudu adu sanghareupan jeung pihak nu teu hayang diusik-usik sanajan salah. Tah, nu anéh, sanajan puguh geus salah, tapi buktina mah loba nu ngabéla, nu nanawarkeun jasa sangkan ‘jiga teu salah!”. Kabiasaan silihhampura nu datangna tina ajaran Islam, hanjakal teu parat ka unggal jalma, pangpangna ka parapan- gacara. Naon nu jadi lan- taranana? Alatan pangacara kadieunakeun téh, loba nu lain muslim. Upama kitu, naha halal bihalal silihhampura, bakal nguatan silih wasiatan nan- jeurkeun papada urang? Mangga waé antosan, kumaha sikep urang sabada halalbihalal disaban tempat. Sakitu waé, sakali deui hatur nuhun pisan ka Manglé nu parantos nampi ieu serat. Wassalam. Baktos Murtado- Ciamis Innalillahi wa inna ilaihi Roji’uun Parantos mulih ka jati mu- lang ka Gusti Alloh nu Maha Suci Ambu Tetty Suharti binti Anuh Suharna (72 taun) (Pangasuh Mangle Alit - Mangle Rumaja manten) Almarhumah ngantunkeun dinten Senen, 29 Juli 2013 tabuh 03.05 WIB. Almarhumah dikurebkeun di Dusun Salem Kemuning Karawang. Allohumagfirlaha warhamha waafihi wa’fuanha. Allohuma latahrimna ajroha wala taftina ba’daha wagfirlana walaha. Sakumna Ais Pangampih Mangle ngiring sungkawa, mudah-mudahan kulawarga nu dikantunkeun henteu kaleleban. Du’a nu ihlas, mugi almarhumah ditampi Iman Islamna dicaangkeun di alam kuburna. Amin. Bandung, Juli 2013 Pupuhu Mangle Drs. H. Oedjang Daradjatoen M.
  5. 5. K iwari ramé naker calon-calon presiden. Geus loba nu nye- but-nyebut pipresidéneun. Atuh, spanduk calon presiden gé reu- teum di tempat-tempat ramé. Ngan, nya kitu, ti tatar Sunda mah teu sing ubyag. Copongna capres asal Sunda, rada kaubaran ku munculna Jumhur Hi- dayat, manten aktivis mahasiswa nu kungsi ngaringkuk di panjara dina jaman Orde Baru. Karep Jumhur milu kana konvensi capres ngaliwatan par- pol, ceuk Heri Kantaprawira ketua Forum Ki Sunda, pilihan nu merenah, lantaran Jumhur mah lain pamingpin partéy pulitik. Saha Jumhur Hidayat téh? Inyana pituin Bandung. Ieu teureuh Sunda téh, satamatna SMA Negeri 3 Ban- dung, Jumhur asup ka Institut Teknologi Bandung (ITB), jurusan Fisika (1986). Ngan ti mimiti jadi ma- hasiswa gé geus aktip dina aksi-aksi mahasiswa, boh di kampusna boh di tempat séjén di Bandung. Salah sahiji nu dibajuangkeun ku Jumhur jeung batur-batur harita téh tumali jeung hak-hak rahayat. Lian ti éta Jumhur gé nyorakeun dibubarkeunana Orde Baru, salah sahiji buktina, mingpin aksi nolak datangna Mendagri Rudini harita. Lantaran aksina terus diku- kuntit pihak kaamanan, antukna, di- tangkep sarta diadili nepi meunang dipones tilu taun. Upaya hukum terus dilakukeun, ngan ahirna mah, teu bisa majar kumaha, ieu teureuh Bandung téh dibérok di panjara, malah kungsi ditempatkeun di Nusakambangan. Sumanget Jumhur teu pareum. Di panjara gé tetep nguatan jiwana. Di antarana ku cara loba macaan buku, kaasup buku-buku perjuangan Inggit Garnasih, karya Ramadhan KH. Sanggeus kaluar ti panjara, Jumhur aktif di sababaraha organisasi, saperti di Center for Information and Deve- lopment Studies (CIDES) Gabungan Serikat Pekerja Merdeka Indonesia (GASPERMINDO), Konfederasi Seri- kat Buruh Indonesia (KSBI), Yayasan Kesejahteraan Pekerja Indonesia (YKPI), jeung sajabana. Lian ti ancrub ka rupa-rupa orga- nisasi, Jumhur gé biasa jadi nara- sumber disababaraha tempat di Manglé 2438 5 Nyantek kana pilihan presiden, loba ngaran capres nu jadi bukur catur. Ngan, galibna, ti tatar Sunda mah, arang pisan nu kase- but. Kumaha dina pilpres ayeuna? Saha waé urang Sunda nu kacatur jadi capres 2014-1019?*** Moh. Jumhur Hidayat (potret Asep GP.)
  6. 6. Nusantara, pangpangna dina nan- jeurkeun martabat jeung jatidiri bangsa, kaasup remen ngalanglang mancanagara dina rupa-rupa ka- giatan, di antarana neuleuman sistem katatanagaraan di Amerika Serikat, International Conference on Method- ological Problems in The Study of Re- ligions-Montreal Canada, Conference on Indonesia-South Africa; New Be- ginnings and Future Relations, Capetown, South-Africa jeung saja- bana. Nya ngaliwatan sababaraha organ- isasi jeung ancrub kana rupa-rupa ka- giatan, Jumhur loba ngabélaan masarakat katideresa nu hak-hakna karampas ku pihak séjén. Haté Jum- hur teu tingtrim, upama nyaksian kaayaan nu méngpar tina kamistian, najan éta paripolah téh dilakukeun ku nu nyekel kakawasaan. Matak, najan ranggeuman kakawasan kacida ku- atna, Jumhur tara ngarasa sungkan nepikeun kateupanujuanana. Dirina remen makalangan, ngaluluguan pihak-pihak nu boga karep ngaron- jatkeun ajén jeung karaharjaan masarakat. Upama karepna kacida kuatna, da mémang pangaruh lingkunganana. Ramana gé, Alm. Mohammad Sobari Sumartadinata geus ngawawadianan, mun wani ancrub jadi aktivis, kudu wani sagala rupana, malah najan nepi ka nemahan pati! Kanyaahna Jumhur ka si leutik, ditémbongkeun kana kanyahna ka kaum buruh. Ceuk pikirna, buruh téh kudu dianggap bagian tina ieu bangsa. Hartina, ulah aya bagian nu tinggaleun komo nu katideresa mah. Kanyaahna ka kaum buruh, ahirna mah loba pihak nu percaya ka Jumhur bakal leuwih témbrés upama inyana boga kakawasan nu leuwih batan nu ayeuna dicangking jadi kepala BNP2 TKI. Calon Presiden Jumhur Hidayat, mimiti pada nye- but calon presiden. Kituna téh, saperti ceuk para aktivis di organisasi buruh. Eta organsiasi mah togmol naker nyo- rakeun ngaran Jumhur jadi calon presiden téh. Kitu téh, saperti sawatara waktu ka tukang, dina dék- larasi capres ‘versi’ kaum buruh nu lumangsung di Gedung KONI Jawa Barat sawatara waktu ka tukang. Nu ngarojong Jumhur mémang saba- baraha organisasi buruh, saperti Serikat Pekerja Nasional (SPN), Gabungan Serikat Pekerja Merdeka Indonesia (Gaspermindo), Serikat Pekerja Tekstil Sandang dan Kulit Serikat Pekerja Seluruh Indonesia (SP TSK SPSI), Gabungan Organisasi Buruh Seluruh Indonesia (KSBS), Serikat Buruh Sejahtera Indonesia (SBSI) jeung Serikat Pekerja Otomotif Indonesia (SPOI). Paraburuh tandes naker, yén buruh katut kulawargana, nyalonkeun Jumhur Hidayat, nu kiwari mancén Kepala BNP2TKI jadi presiden. Kitu téh, cenah, lantaran Jumhur dianggap mampuh mingpin ieu nagara kalayan témbong kanyaahna ka rahayat, pang- pangna mah ka kaum buruh. Orga- nisasi mah teu ngan ukur ngambeng pangdeudeulna semet émbaran, da saterusna téh ditepikeun ka DPD Demokrat Jawa Barat. Harita keyeng aliansi buruh dihaminan ku R. Heryanto, Bendahara DPD Partey Demokrat. Dina éta déklarasi, Ketua Serikat Pekerja (SPN) Jawa Barat Iwan Kus- nawan nétélakeun, Deklarasi lumang- sung di Jawa Barat, lantaran Jumhur téh asalna ti Jawa Barat. Ngan, cenah, déklarasi téh moal kateug nepi ka dinya, da bakal diteruskeun di daérah-daérah séjénna sakurang-ku- rangna di salapan tempat, saperti di Aceh, Sumatera Utara, Sumatera Barat, Sumatera Selatan, Kepri, Lam- pung Banten, Jawa Timur, jeung NTB. Forum Kesatuan Buruh NTB nu ngawengku lima orgnaisasi saperti SPN, GespermindoLembaga Amanah Gappa Samudra (Lagas), Migran World Indonesia (MWI), jeung Forum Petani Tembakau Lombok Timur (FPTL). Di anatrana eta forum teh samiuk bajuang keur Jumhur sangkan eta ketua BNP2TKI jadi pres- iden mangsa bakti 2014-2019. Jumhur Hidayat buleud paté- kadan. Teuneung nétélakeun paka- repanana jadi calon presiden. Malah, ketakna kitu téh dibuktikeun ku miluna kana konvensi capres ti Partey Demokrat. Ngahudangkeun nu Tibra Munculna ngaran Jumhur Hi- dayat dina pakalangan capres, ceuk Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.S., Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad), lir ngageuingkeun nu keur tibra. Ka dieunakeun, urang Sunda mah, bangun nu teu kecét-kecét, atawa arang pisan nu makalangan dina tingkat nasional. “Munculna Jumhur Hidayat, lir ngageuingkeun 6 Manglé 2438 Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.S.
  7. 7. Manglé 2438 7 urang Sunda nu keur tibra,” pokna. Ketak jeung kaludeung Jumhur kawas kitu, gedé mangpaatna keur ka- giatan pulitik di tatar Sunda mah. Lantaran ceuk Prof. Asep, kitu téh bisa jadi panyundut sumanget atawa nyumangetan deui kaengeuh pulitik urang Sunda nu salila ieu melempem. Nilik kana jumlah padumukna, kaasup nu baroga hak pilih, urang Jawa Barat téh kacida lobana. Hartina, ceuk ieu ahli kawijakan pub- lik Unpad mah, Jumhur nu asalna teureuh Sunda téh, samistina jadi ‘kakuatan’ nu baris dibalitungkeun ku pihak séjén. Ngan, naha majuna putra Sunda dina pakalangan kapamingpinan na- sional baris pada ngarojong? Upama ceuk Indra Prawira, pupuhu Badan Musyawarah Sunda Jawa Barat mah, meujeuhna urang Sunda silih rojong! “Eureunan silih salahkeun, mistina silih rojong upama saha waé nu boga karep makalangan jadi pamingpin na- sional!” pokna sawatara waktu ka tukang. Punten Kapayunan! “Urang Sunda lamun hayang jadi pamingpin atawa aya dina kamajuan kudu ngaleungitkeun budaya “Mang- ga ti payun” diganti ku “Punten ka payunan”. Sabab kualitas urang Sunda sarua wé jeung seke-seler (etnis) liana, malah aya onjoyna lian ti etnis kadua panglobana di Indone- sia, urang Sunda ti baheula mula jujur, gagah, teuneung-ludeung jeung luhur hargadirina. Sacara historis urang Sunda (ti jaman karajaan Salakanagara, Tarumanagara, Galuh, Pajajaran) teu kajajah ku etnis liana.Urang Sunda ti baheula mula kawentar gagah, jujur, teuneung- ludeung jeung luhur hargadirina dina ngabéla bebeneran, contona nalika kajadian Pasunda Bubat (Perang Bubat), nyata natrat ditulis dina sa- jarah kumaha gagahna Prabu Lingga Buana jeung Diah Pitaloka katut wadyabalad nu ngan saeutik, teu- neung ludeung ngabéla hargadirina!” Kitu cek Mohamad Jumhur Hi- dayat ka wartawan dina sela-sela “Menolak Lupa 5 Agustus1989 Talk- stalgia 2013 - Bersama Mohamad Jumhur Hidayat” nu lumangsung di GIM (Gedong Indonesia Menggugat) Jln. Perintis Kemerdekaan Bandung (5/8). “Lamun urang Sunda taya nu payus jadi presiden ulah maksakeun, tapi lamun aya nu pantes jeung nyubadanan jadi pamingpin nagri, ulah caricingeun”, kitu pokna nan- deskeun. Dina paguneman nu ngaguar deui kajadian 5 Agustus 1989 (mahasiswa ITB ngademo Mendagri Rudini nu rawuh ka kampusna muka panataran P4- 11 mahasiswa ITB kaasup Jumhur ditéwak Bakorstranasda laju dibui- Jumhur bebas 25 Februari 1992) harita dijejeran ku Prof.H. Ahmad Mansyur Suryanegara (Sejarawan Unpad), M. Ridho Eisy (Wartwaan senior & Penyair alumni ITB), Mas Radar (mantan aktivis), jeung wa- likota anyar Ridwan Kamil kaasup Juhana Sutisna (Joe P Project-mode- rator) jeung ibuna Jumhur, Bu Ati. Soal kajadian 5 Agustus harita, cek Denci (Aden Kecil, nenehanana Jumhur keur leutik ) memang jadi perlawanan nyata kana “hapana” karaharjaan jeung demokrasi mangsa orba. Kiwari agenda demokrasi /re- formasi sok sanajan “kabablasan” jeung perlu dibeberes deui tapi geus lumangsung di ieu nagri. Tinggal ngarah kana agenda nu utamana nyaeta ngabébérés karaharjaan ka- martabatan jeung kamandirian .Kaja- dian “Saptu Kulawu” 5 Agustus ge sabenerna perlawanan kana saniskara panggusuran tanah nu lumangsung teu adil jeung nyangsarakeun rayat di Indonesia (dibayar 30 perak/meter), saperti kasus Kacapiring, Badega, Cimacan, Lampung, Kedung Ombo (Jawa Tengah), jsb, Penggusuran tanah nu mangrupakeun kolaborasi kasarakahan antara bupati, gupernur jeung pangusaha, “Tah kapanan sa- dayana kapala daérah téh pa- payungna Mendagri, tah kaleresan harita aya ka kampus, nya didemo wé, da anjeunna nu pangtanggelwalerna mah.”, Cek Denci nyoreang alam ka tukang dina mangsa perjuangan. Dina pamustunganana Jumhur umajak ka batur-batur saperjuan- ganana baheula, sangkan dimana geus meunang jabatan/ jadi paming- pin ulah nepikeun “Rajawali robah jadi Manuk Nuri” , jadi pamingpin nu kumaha juragan wae jeung teu mihak ka rayat, sabab sieun ilang ja- batanana. Tapi kudu saperti pajuang nu ku Rendra ditulis dina sajakna, “sangkar besi jangan merubah Ra- jawali jadi burung Nuri!” Memang kiwari loba batur Jumhur nu tala- jakna kawas nu ditulis dina sajakna “ Jabatan pujapuji, hormat, kaka- wasaan, fasilitas, sok ngarobah ra- jawali jadi manuk nuri”, pokna.***(RH/Asep GP) Dr. Indra Prawira, pupuhu Bammus Jabar
  8. 8. Manglé 2438 P oko-poko usulan Dewan Perwaki- lan Daerah (DPD) RI ngeunaan parobahan kalima UUD 1945, terus dibéwarakeun. Anggota DPD RI asal Jawa Barat, Dra. Hj. R. Ella M. Giri Ko- mala, MM.Pd., nétélakeun, sosialisasi parobahan kalima UUD 1945 minangka upaya nguatan bakti DPD-RI keur nguatan nagara. Kitu diantara biantarana waktu acara Focus Group Discussion DPD-RI gawé bareng jeung DMI Wilayah Jawa Barat, Rebo 24 Juli 2013. Acara diskusi euyeub pisan. Kitu deui narasumber jeung pamilonna ti saba- baraha tokoh penting di Jawa Barat. Di- antara waé narasumber nu hadir harita, lian ti Dra. Hj. R. Ella M. Giri Komala, MM.Pd., ogé aya Prof. Dr. H. Deddy Mulyasana, M,Pd., Dr. Dedi Djamaludin Malik, M.Si., Drs. HR. Maulany, SH., Drs. H. Maman Muhammad Iskandar. Aya 10 usulan parobahan UUD 1945, nyaéta : 1. Nguatan sistem presidensial, 2. Nguatan lembaga perwakilan, 3. Nguatan Otonomi Daerah, 4. Ngeunaan calon presiden perseorangan, 5. Mis- ahkeun antara pemilu nasional keung lokal, 6. Forum previlegiatum, 7. Nguatan deui peran MK, 8. Nambahan pasal masalah HAM, 9. Masalah Bab Komisi Nagara jeung 10. Nguatan ngeunaan bab atikan jeung ékonomi. “Tangtos usulan parobahan ieu, éstu- ning keur nguatan nagara. Lantaran upama teu aya parobahan, dihari- wangkeun ayana démokrasi nu katalanju- ran. Sanajan peran DPD teu sakuat DPR, tapi upama meunang pangrojong masarakat, teu mustahil bisa dirobah,” ceuk Hj. R. Ella M. Giri Komala jinek. Sababaraha usulan DPD RI memang pada ngarojong. Malahan sual Otonomi Daerah, ngarasa panuju kana usulan DPD-RI sangkan OTDA henteu disaléng- gorkeun keur ngalemahkeun peran provinsi. “Peran pamaréntah provinsi kacida pentingna, tangtu OTDA kudu nguatan provinsi sanés kabupaten atanapi kota,” ceuk Drs. HR. Maulany, SH., jinek. Kumaha ari parobahan calon presiden perseorangan? Usulan DPD-RI mémang dianggap logis. Ngan ceuk Dr. Dedi Dja- maludin Malik, M.Si., keur calon presiden masarakat masih percaya ka partéy poli- tik. “Wajar pisan pami masarakat masih kénéh percaya ka partéy keur nangtukeun pamingpin bangsa mah,” pokna. Sedengkeun, nurutkeun Drs. H. Maman Muhammad Iskandar, staf ahli anggota DPD-RI, mémang usulan paro- bahan UU 1945 bakal moal gampang, pangpangna ti pihak DPR-RI. Tapi sana- jan kitu, upama nilik kana kapentingan bangsa nu leuwih hadé mah, Insya Alloh laun-laun mah bisa tinekanan. Wakil Jawa Barat Kudu Leuwih Loba Nurutkeun undang-undang ayeuna, wakil masing-masing anggota DPD (Dewan Perwakilan Daerah) ti saban provinsi aya opatan. Sanajan jumlah pa- dumuk antar provinsi ganjor kacida, tapi angger sarua opatan. Sistem modél kitu, keur urang Jawa Barat mah kacida rugina. Lantaran, luyu jeung pungsi DPD tur pad- umuk Jawa Barat nu sakitu lobana, kaa- sup henteu adil. Ku kituna, keur Jawa Barat mah kacida perluna anggota DPD ka hareup bisa merjuangkeun kuota wakil DPD nu adil. “Mémang parobahan kitu, luyu jeung kahayang masarakat pang- pangna di Jawa Barat. Masalahna, keur berjuang kitu, kudu aya parobahan deui masalah kuota anggota DPD tiap provinsi. Hadéna mah, nu ngawakilan daérah gé 8 Parobahan Kalima UUD 1945; DPD-RI Jawa Barat Nguatan Nagara
  9. 9. Manglé 2438 9 ulah disaruakeun antar provinsi. Piraku, Jawa Barat nu sakitu loba padumukna, anggota DPD ngan opat urang, disa- ruakeun jeung provinsi nu saeutik padu- mukna. Tangtu parobahan ieu penting kacida,” kitu nurutkeun Drs. HR. Maulany, Ketua Dewan Masjid Indonesia (DMI) Jawa Barat, pokna témbrés. Sedengkeun nurutkeun Prof. Dr. H. Deddy Mulyasana, M,Pd., kaayaan politik kiwari mémang diantarana luyu jeung kamekaran kacerdasan rakat nu rek milihna. Hartina, ngawangun sistem poli- tik nu adil, memang perlu proses nu teu gampang. “Ngaliwatan DPD-RI saben- erna sistem politik nagara bisa dibebenah, ngan hanjakal ngawatesanan téa,” pokna. Kumaha ceuk politisi Jawa Barat? Nu- rutkeun Dr. Dedi Djamaludin Malik, M.Si., nu harita ngahaja hadir, mémang sistem ayeuna dianggap paling hadé. Anapon peran DPD-RI dianggap kurang, diantarana lantaran masarakat can bener- bener ningal ketak DPD nu sagemlengna. “Rupina ketak DPD-RI kedah seueur sosialisasi, dugi ka janten kabutuhan masarakat. Kanggo pribados mah, atoh nu aya, mudah-mudahan DPD ka payun tiasa langkung greget,” cek ieu politisi PDI Per- juangan Jawa Barat tandes. Peran lembaga DPD-RI nu leuwih jinek, memang ahirna bakal mekar luyu jeung pangabutuh masarakatna. Ku ki- tuna, Dra. Hj. R. Ella M. Giri Komala, MM.Pd. deui, ka hareupna moal bosen- bosen rék nyosialisasikeun peran DPD ka masarakat nu leuwih maksimal. “Sanajan kawatesanan pungsi keur ngabebenah sis- tem ketatanegaraan, mudah-mudahan masarakat ahirna ngarasa leuwih butuh, komo keur urang Jawa Barat mah,” pokna. Tarékah-tarékah DPD-RI keur nguatan nagara mémang perlu dibéwarakeun maneuh ka masarakat, kaasup di Jawa Barat. Kituna téh, lian ti sangkan masarakat wanoh kana peran DPD RI, ogé keur nampung aspirasi masarakat di daérah. *** (RH) Para pamilon sosialisasi ngarojong usulan parobahan kalima UUD 1945 DPD-RI.
  10. 10. 10 Manglé 2438 Bagian 169 Peuting ka-186 Sajeroning diadu- renyomkeun, Putri Budur jeung Komarujaman mah, teu kagareuwahkeun. Angger ngagoplek talibra naker, teu kaganggu ku sora jin nu omonganana patarik-tarik. “Sok atuh guyahkeun sina hudang!” ceuk jin nyarankeun. “Heug!” ceuk jin awéwéna. Leng mikir néangan cara ngahudangkeun nu keur tibra. Maimunah mésém, ras kana kabiasanana nu bisa malih warni mindah rupa. Harita gé kapkir, men- ding ngageuingkeun ngaliwatan jasad séjén. Manéhna ngagibegkeun awakna, les leungit, da jadi sato leutik, jadi tu- mila. Kitu téh sangkan bisa samemena nga- garayaman kana awak nu keur ngageubra. Nu pangheulana di- hudangkeun téh Komaru- jaman. Hudang lantaran aya nu nyoco kana awakna. Ngan, ari diusap- usap nu nyioco téh teu karampan. Komarijaman nguni- ang hudang. Cengkat bari terus rarat-reret. Gebeg ngagebeg lantaran gigireunana aya awewe geulis naker. Ieu pangeran nu jangji ka di- rina moal kagoda ku awewe téh ningali rurupa- an Putri Budur kitu mah, teu burung ngageter hatena. Kapincut ku rurupaan éta awéwé. Bari neuteup nu keur tibra, Komarujaman mikir. Ras inget kana purwadaksina. Ceuk pikirna, mana kitu gé geus suratan takdir, kudu papanggih jeung awéwé nu mampuh ngirut hatena. Ras inget kana kajadian ka tukang- tukang, apan pangna diberok téh lantaran nolak laki-rabi. Teuteup éta pangeran téh anteb naker. Pipiki- ranana cus-cos ka mana karep. Ras ka bapana, boa éta putri téh nu rék di- jodokeun ka manéhna. Mun apal kana pikitueun, tangtu moal nolak, malah manéhna sorangan nu baris leuwih tiheula ngalamar éta awéwé. Komarujaman nyoba- nyoba ngagaramang kana lebah suku nu keur sare. Maksudna mah, ngageuingkeun. Tapi, Putri Budur teu ka- ganggu. Malah, ahirna, najan diguyah-guyah tetep teu lilir-lilir. Memang kituna téh pangaruh tenung tunduh Dahnasyi nu mangaruhan kénéh ka éta putri. Apan, méméh dibawa ka éta tempat téh disirep heula sina tunduh. Ku cara kitu, éta jin bisa mawa putri kalayan gampang jeung teu ngagareuwahkeun pihak séjén. Peuting ka-187 Syahrazad nerukeun dongengna. Najan taya sasaha, da Komarujaman teu ningalieun aya jin nu tiluan, tetep bisa nahan dirina. Sanggeus éta putri teu hudang waé, manéhna ukur nyokot ali nu aya dina ramo éta awéwé. Kituna téh, banget ku asih ka éta putri nepi ka hayang ngajodo ngawa- ngun rumah tangga. Geus kitu mah, éta lalaki téh ngagoledag deui reup saré tibra naker. Ku lantaran putri teu hudang, Maimunah hayang ngahudangkeun Putri Budur. Carana, saperti nu dilakukeun ka Komarujaman. Ieu putri jin téh ngarobah wujud jadi tumila. Geus kitu mah, gagarayaman dina beuteung putri. Celetot nyoco tarik pisan. Putri reuwas, ka- gareuwahkeun ku nu nyoco. Geus kitu mah, nya beunta terus rarat- rérét. Bakating ku lulungu nyangkana mah aya kénéh di tempatna, di ka- putren.
  11. 11. Manglé 2438 11 Putri rarat-reret, horéng éta tempat téh béda jeung kamarna. Gebeg manéhna ngagebeg waktu ngalieuk ka gigir, horéng aya lalaki nu keur ngageubra. Barang dilik- ilik, éta lalaki téh kacida matak ngirutna. Ku lan- taran kitu, éta putri téh teu bisa nahan haténa. Manéhna gancang hu- dang, ngaguyahkeun nu keur tibra. Komarujaman me- mang tibra naker. Antuk- na, najan digeuingkeun angger teu daék lilir. Atuh, éta putri téh ngahuléng. Ret kana ramo kénca Komaru- jaman. Manéhna mésem, da sidik éta lalaki téh maké ali nu manéhna. Hartina, Komarujaman téh neundeun haté ka éta putri. Wanci geus ngagayuh ka subuh. Jin nu tiluan masih kéneh ngabandu- ngan kalakuan éta putri. Atuh, Maimunah téh bu- ngah kacida lantaran ceuk pikirna, tétéla nu awéwé leuwih katajieun ku lalaki nu dibobotohanana. “Hartina, andika éléh!” ceuk Maimunah. “Teu lepat, nampi sim kuring asor!” ceuk Dah- nasyi. Najan kitu, trét wéh putri jin téh nyieun katerangan sakumaha pa- menta Dahnasyi tiheula téa. Intina, éta jin lalakina téh dianggap balad Maimunah nu teu meu- nang diganggu ku saha waé. Da, upama Dahnasyi diganggu ku jin séjén, Maimunah baris mantuan éta jin lalakina téa. “Sok geura balikkeun ka tempatna!” ceuk Maimunah. Sanggeus Maimunah ngomong kitu, Dahnasyi nyirep deui Putri Budur. Golédag wéh éta putri téh saré deui, tibra deui. Regeyeng nu putri nu keur saré dipangku, dibawa ngapung ka awang-awang. Maksudna, dibalikeun ka nagrina luyu jeung parentah Maimunah. Peuting ka-188 Komarujaman lilir deui. Langsung ngoréjat lantaran mémang geus subuh. Manéhna kacida reuwasna, lantaran awéwé nu cikénéh aya di gigireunana téh teu tem- bong. Ras ka bapana, ceuk pikir putri, éta lalaki geus dibawa deui ka tem- pat séjén luyu jeung paréntah raja. “Hey nu ngajaga! Ka mana awéwé nu bieu di dieu!” Nu ngajaga, nu keur lulungu asa kagebah. Korejat hudang terus nangtung nyampeurkeun Komarujaman. Manéhna heran ngadéngé kekeca- pan dununganana kitu téh. “Saha juragan?” “Bieu téh apan aya awéwé. Ka mana ayeu- na?” “Ih, naha da ti tatadi gé teu aya sasaha!” Mémang enya, lanta- ran pangaruh élmu jin-jin téa, nu ngajaga gé teu apaleun aya awéwé jeung jin ka éta kamar téh. Nu katempo ti soré kénéh malah nepi ka peuting terus ka subuh, taya sasaha iwal ti Komaru- jaman. *** (Hanca)
  12. 12. 12 Manglé 2438 A yeuna mah Nyi Dampi seuri enyaan, atoh pitapakna diasupan, ngan kari ngabésrat tamiangna baé. Nyi Rapiah moal teu kajiret. Geus kaured mah, wah, ti Babah Ringgit atawa ti Anom Luwih – Louis— ogé copélna salawé pérak mah moal teu ngagolosor. “Ih, Masmirah, dunu- ngan Embi, Agan mah bet kitu, sapertos mu- rangkalih nyuhunkeun cau, ari pok ari sok. Nu kitu mah atuh teu kenging didadak. Upami yaktos palay, Agan kedah kersa rurumpaheun linggih ka Embi. Upami kaleresan mah di Embi sok kempel, Néng Munigar, Néng Salamah, Néng Sinta, malah Agan Lilis sareng Agan Éha gé sirikna teu lar-bus ka Embi mah.” “Aéh kutan,” ceuk Nyi Rapiah bangun kagét. “Atuh éta mah kabéh gé batur ngaji kuring, malah Agan Lilis jeung Néng Sinta mah hatamanana ogé bareng. Éta téh diwiri- dan pamaké téa di Embi, nya.” Nyi Dampi pura-pura ngeunah seuri bari jiga enya ocon banyol: “Hah, hah, hah. Éta mah Si Lucu ana geus nyieun lulucon sok matak ngabarakat teu- ing abong enya ka Embi teu asa-asa miindungm hah, hah, hah.” Dibéjér béaskeun mah panjang teuing pok-pokan atawa pepetaan Nyi Dampi “ngaragaji” Nyi Rapiah nu mémang ropoh pagerna téh. Cindekna mah Nyi Piah téh rungkad wéh! Saha di palebah dieu nu kudu disalahkeun? Naha Nyi Rapiah nu ipis bendungan? Apan jadina ipis bendungan mah ngan ukur akibat! Akibat kurang urus, akibat nyeri dipangnyandungkeun. Cara nu keur lapar aya nu méré kadaharan sasongna. Lain salah Si Lapar, da lapar mah ukur akibat ku- rang dahar. Teu lapareun mah moal enya sasantok- sasantokna! Nyi Dampi atuh nu cara careuh, ngadodoho hayam balangah. Ih, apan, careuh mah mémang kabeukina hayam. Careuh kahakanan hayam. Nu salah mah nu boga hayam. Kurang awur, nepi ka hayam ngalantrah, jeung teu rékép lawang paranjé. 4 Di urang aya paribasa “kausap sétan” nuduhkeun ka jalma nu ingkar tina jalan bener, nyasab tina ihdinas sirotol mustaqim, tegesna kasung kana jalan nu henteu diridoan ku Alloh Taala. Cék para arif, mungguh sétan teurakna ngagoda téh ngan ka jalma nu héngkér batinna, bangsa- ning jalma aral, jalma teu kuat ku dodoja, jalma nu jejerih ku kaprihatinan, jalma anu hayang senang mumul pusing, jeung sabangsana. Aya mendingna lamun jalma karitu téh, barogaeun pacabakan anu baku aya geusan bangbalérna. Ana ninggang di nu kedul ditambahan poék pikir cupet budi, kabisa ngan lugah-ligeuh atawa huleng jentul, babari pisan kausap sétan téh, apan cenah gé: “Lugah-ligeuh téh sarua jeung gégéléhéan dina anggel sétan.” Nyi Rapiah ogé jeung awéwé ngora sabangsana atawa sapantarana, nya kitu. Tuman senang di- wowoy ti bubudak, dahar kari am, paké kari rap, pelesir sadaékna, heug di- tambélarkeun ku salaki, lugah-ligeuh taya gadag da teu timu pacabakan... jol gerejud pantar Nyi Dampi, beu atuh pérén. Dua poé sanggeus diolo digélo ku Nyi Dampi, isuk-isuk kira pukul sapuluh, para pa- gawé mah keur meujeuh- na di kantor, Nyi Rapiah aya di imah Nyi Dampi, di Kebonkalapa, meunang { 8 } Ku M.A. Salmun
  13. 13. Manglé 2438 13 ngabadamian, meunang ngolo, meunang ngalem- pes, geus leumpeuh lir jawér kotok meunang ngadéang, rék digéléng rék dibébér gé kari kadaék. Pasangpeta imah Nyi Dampi téh enya di luar biasa, pantona gé ti ungal madhab, sugag-segogna kamar pantes geusan susumputan. Di antara kamar téa aya dua anu pasangpetana moal éléh ku kajuaran ménak jaman harita, garenah bararesih, raresik, héor-héor seungit manglé. Di béh tukang, deukeut dapur aya kamar mandi jeung jamban anu moal kurang bareresihna ti di kabupaten, dina bilik- na gé aya eunteung gedé jeung pangradinan sapuratina, wedakna rupa- rupa, ti wédak beuas nu lumayan nepi ka pupur toko nu mahal jaman harita. Di juru aya jajam- baran di eusi cai meunang ngembangan, siga cai padusan, ngamandian nu susuci. Dina tepas, aya sawatara rékal, di juru nyocok gulungan samak, di luhurna erak tempat kitab-kitab. Di ténjo ti luar mah, cék saha lain imah paranti diajar ngaji, komo duméh bilikna dipapaés ku lapad, gambar burak jeung gambar ka’bah. Da jeung enyana, ari ti peu- ting mah, lamun soré kénéh, di tepas Nyi Dampi téh réang ku barudak di- alajar ngaji, diguruan ku Haji Gombél –kawasna mah lain haji enyaan, da béjana leuwih apal kana balak batan kana manasik; leuwih nyaho kana lédot batan tawaf— mun ti beu- rang, meujeuhna lalaki- lalaki jarongjon dipagawéanana atawa pausahaanana, sok réa awéwé ngarora jeung urang asing nu baleung- har, boh anom-anom ti kontrakan, boh babah- babah ti kalangan sudagar daratang ka imah Nyi Dampi. Kalan-kalan sok aya ogé bangsa urang, tapi rada carang, kawasna dompétna bangsa urang mah kurang padet. Upama pareng aya nu nanya, rék naon Nyi Anu atawa Néng Anu ka imahna, Nyi Dampi aya baé jawabna, magar téh nu ménta dipangjualkeun geulang, nu ménta di- pangjualkeun samping, nu ménta asihan, nu diaku baraya baé jeung jaba ti éta. Ari anom-anom jeung babah-babah, magarkeun téh ngilikan berlian, uru- san dagangan, néangan pibabueun jeung jaba ti éta. Kabéh nu nanya biasana percaya baé. Ari tatangga, puguh ku Nyi Dampi dikanyahokeun kabutuhna, aya nu dibajel urusan dapurna, aya nu diruruba ku lungsuran, aya nu dipangjeujeuhkeun kaperluan jeung jaba ti éta, atuh kabéh gé balem. Jaba ti di unggal jalan pangparatan ka imahna neundeun calo purah méré isarah mun aya nu rék ngagaradah téh, di kalangan pulisi ogé Nyi Dampi téh masang usung- ésang. Teu percumah jurutulis sakaut disamping weuteuh unggal bulan atawa ganti baju lena opat bulan sakali téh, mun lain panyogok ti Nyi Dampi. Jaba ari agén-agén mah, saat kabéh geus ngasaan bako tampang “Ibu Empi”. Cindekna pikeun jaman harita mah “Pausahaan” Nyi Dampi téh pohara rikip tur limitna. Anu jadi jontrotna, Agan Lilis. Enya ari bapa- na mah ménak tur puguh kocoranana malah kungsi jadi wadana di bawahan Garut, orokaya indungna, ronggéng Manglayang nu jaman harita mah kawen- tar geulis, ngungkulan anak-anak priyayi, Nyi Anis ngaranna. Aom Dotong bapa Lilis, beuki ngibing, resep ria-ria, ditambah piawéwé, mang- gih ronggéng sakitu mohmoyna, dibélaan guj- rud, maksa kawin, boga anak, “agan” Listariah. Lantaran agan gé “agan bulu hiris” lain “agan candramawat” hirupna gugulawingan, dibawa ka luhur teu sundul, cicing di handap teu napak, komo barang Aom Dotong geus sah ti dunya mah, jaba ti gugulawingan téh bari kokoléaban, hadéna baé aya baraya indungna nu ngaranna Nyi Dampi, daék rumawat. Satuluyna, ku saréréa ogé tangtu kaharti, moal teu ka jarian- masarakat gubragna. Nyi Rapiah abusna ka imah Nyi Dampi téh di- haja ditéang heula ku Agan Lilis, batur ngaji keur budak sabab bisi éraeun atawa teu luas didagoan di imah mah. Harita gé ari haténa mah Nyi Rapiah téh dag- dig-dug, leumpang ogé asa nincak asa henteu, sabab saumur dumelah kakara harita “nyaba teu puguh” téh. Ngan minangka luangna téh, baheula dii- wat ku Si Abdullah ti gu- nung, disumputkeun di imah gulang-gulang téa. Jadi ari bakat kana teu uni mah di Nyi Rapiah téh mémang geus nyampak, rayungan ti jaman keur di panganténkeun kénéh. (hanca)
  14. 14. T os pada kauninga wireh ayat Alqur’an anu munggaran dilungsurkeun dina sasih Romadhon, hal eta dumasar kana ayat Alloh surat Al-Baqoroh ayat 185: “Bulan Romadhon teh bulan di- turunkeunna Alqur’an, mangrupa pituduh pikeun manusa tur anu ngajelaskeun ngeunaan pituduh eta, sangkan ngabedakeun antara hak jeung batil” Sanaos teu aya ayat atanapi hadist shahih anu sacara langsung nuduhkeun ayat Qur’an anu mung- garan teh lungsur dina tanggal 17 Romadhon, atawa laelatul qodar teh tanggal 17, tapi kalolobaan kaum muslimin mieling lungsurna Alqur’an saban tanggal 17 Romad- hon. Tapi oge deuih palebah laelatul qodar teu aya saurang oge anu sacara tandes nangtukeun tanggal- na, padahal sidik dina ayat sanes dawuhan Alloh: “Saestuna Kami nurunkeun (Alqur’an) dina hiji peuting anu mulya (laelatul Qodar).” (Al-Qodr: 1). Pedaran ieu lain rek madung- dengkeun beda pahamna para ulama ngenaan poe laelatul qodar jeung nuzulul Qur’an, sabab bawiraos aya hal langkung penting batan sakadar mieling atawa ngarayakeun mangsa nuzulul Qur’an nu ilahar sok dipieling saban tanggal 17 Romadhon. Hal anu langkung penting teh nyaeta, kumaha eusining Alqur’an ngawujud jadi pepeling. Momentum bersejarah lungsurna Alqur’an anu pasti dina bulan Ramadhan sapertos anu digambarkeun di luhur, hadena ngageuing diri pikeun malikkeun laku kana eusi kandungan ayat Alqur’an, malar teu kajadian antara urang jeung Qur’an ibarat cai jeung minyak, atawa ngaku kana linuhungna Alqur’an salaku papagon hirup tapi cul dogdog tinggal igel. Alqur’an diturunkeun pikeun jadi panggeuing anu sampurna keur saban manusa taqwa (Al-Baqoroh ayat 2), sarta jadi pituduh anu nuduhkeun jalan titincakan laku lampah. Allah parantos maparin jaminan kasampurnaan Alqur’an geusan ngatur perkara syare’at jeung prakprakanana (Al-Maidah: 48,50), pon kitu deui orisinilitas ajaranana (Al-Hijr: 9). Ngan hanjakal dina emprona, kacida lobana kaum muslimin teu pati mirosea kana ayana Alqur’an, dibaca soteh mun pareng keur tung- gara, atawa hirup keur katideresa bari teu apal kana hartina, komo pimaksudeunana. Rajeun diampi- han ukur sakadar hiasan, dipusti- pusti ukur kawatesanan dianggap karamat, padahal bakal soteh jadi rohmat lamun daek macana atawa neuleuman eusina. Nuzulul Qur’an anu kamari waktu Romadhon geus sabaraha kali karandapan ku urang, ari mi- eling namah meureun geus aya likur kalina, ngan saumur hirup asa can kungsi boa tamat macana komo ka- cangkem eusina. Lamun kaayaanana sarupa kitu, tangtu ka- datangan Nuzulul Qur’an taun ieu lain sakadar di pieling, tapi sakuduna jadi pepeling. Mana- horeng hirup teh geus lila nyicingan dunya, da geuning geus puluhan kali nyorang Nuzulul Qur’an. Naha naon sababna urang kudu ngajadikeun Alqur’an salaku papa- gon hirup? Kahiji, lantaran eusina Alqur’an ngawengku sagala aturan tur jawa- ban saban pasualan kahirupan manusa, perkara eta kacida ka- hartina, sabab kapan Alqur’an teh dilungsurkeun ku Alloh Ta’ala anu nyiptakeun sagala rupa kajadian dina kahirupan, nya tangtuna Man- ten-Na Maha nguningakeun kana naon-naon anu parantos diciptaNa sinareng nangtukeun sagala aturan pikeun mahluk ciptaanana. Ibaratna hiji pausahaan anu nyieun laptop, tangtuna pausahaan eta anu ngaran- cang, nangtukeun cara operasina, cara miarana, jeung anu bakal leuwih apal di mana aya karuksakan, kalayan leuwih nganyahokeun kumaha ngomekeunana. Kadua, Alqur’an minangka juk- lak kahirupan anu dijamin orisinalitasna. Salaku papagon hirup Alqur’an minangka hiji-hijina kitab anu tahan uji, jeung tahan tina sagala upaya jalma dzolim anu boga niat nyelewengkeun atawa mengkolkeun eusina. Lebah dieu Alloh parantos jangji pasini geusan Qur’an Jadi Pépéling Sangkan Aréling Ku Juniarso Ridwan 14 Manglé 2438
  15. 15. salamina ngariksa kamurnian ayat- ayat Alqur’an sakumaha dawuhan- ana: “Kami geus nurunkeun Alqur’an jeung ku Kami dijaga salawasna (Al- Hijr: 9). Dina ayat sanes: “...Anu moal datang kana eta Alqur’an teh kabatilan, boh ti hareup atawa ti tukang” (Fushilat: 42). Komitmen Gusti Alloh ngariksa kamurnian Alqur’an kabuktosan ku ayana mujizat kaanehan anu jarang kapirosea ku manusa. Buktina Alqur’an, babari diapalkeun, gan- cang kaharti lamun dibaca tur babari ngamalkeunana. Lamun di hiji lembur geus ngurangan anu apal kana Alqur’an, buru-buru datang generasi anu ngagantina, barudak TK, TPA paheula-heula ngapalkeun Alqur’an, jeung beuki dieu asa beuki loba lembaga pen- didikan Alqur’an ti mimiti usia dini tepi ka nini-nini dialajar maraca quran saban pangajian. Loba pihak, rek lembaga atawa perorangan anu nalingakeun kana kamurnian ayat- ayat Alqur’an, upama aya salah citak atawa ngahaja diselewengkeun sanajan saayat, tantu bakal gancang kanyahoan. Katilu, Alqur’an minangka hiji- hijina undang-undang kahirupan anu paling pas pikeun manusa jeung alam sakuliahna, lantaran baris nga- jamin pikeun saha anu ngagemna salawasna moal sasab. Pidawuh Alloh Ta’ala: “Saestuna ieu Alqur’an mere pi- tuduh kana (jalan) anu lempeng (Al- Isra: 9). Rosululloh oge ngadawuh: “Kuring mere titinggal dua perkara pikeun aranjeun, lamun seug aranjeun muntang pageuh kana dua perkara eta, moal sasab salawasna, nyaeta Alqur’an jeung Sunah.” Alqur’an baris bisa mere jawaban pikeun sakumaha rohakana pasualan anu pagaliwota dina pikiran manusa. Min aina..ilaa ainaa...limadza (ti mana, rek ka mana, jeung keur naon urang hirup nyicingan dunya) sadaya patarosan ngeunaan tujuan hirup manusa, asal-usul sajarahna tur gam- baran kahirupan anu bakal kasorang, kajadian-kajadian leutik atawa badag, naon wae perkara anu diperlukeun manusa aya jawabanana dina Alqur’an. Kautamaan-kautamaan Alqur’an anu sakedahna dikanyahokeun ku kaum muslimin malar bisa ngaronjatkeun kaimanan tur katak- waan bari micinta Alqur’an di antawisna: 1. Alqur’an kitab anu pinuh barokah (mubarok), nyumi- ratkeun cahaya (nuur), ngabeda- keun haq jeung batil (furqan), obat panyakit hate jeung jiwa (syifa’ul limaa fis-shudur), nga- jelaskeun sagala pasualan (al- bayan), pituduh (al-Huda) jeung rea deui nami-nami Alqur’an anu luyu jeung fungsina. 2. Pang hade-hadena manusa nyaeta ahli Qur’an. Pidawuh Ro- sululloh : Khoerukum man ta’al- lamal Qur’aana wa ‘allamahu (Panghadena di antara aranjeun nyaeta anu neuleuman elmu Alqur’an jeung ngajarkeunana- HR. Bukhori). 3. Generasi anu diajar jeung ngajarkeun Alqur’an disebut pang hadena generasi. Pidawuh Alloh Ta’alaa: “Anjeun kudu jadi generasi rabbani (generasi anu sampurna) lantaran anjeun salawasna ngajarkeun Alqur’an kusabab ajeun teu eureun diajar- na (Ali-Imron: 79). Lungsurna Alqur’an (Nuzulul Qur’an) tiasa disebat kajadian agreng, margi sanes mung wungkul pangalaman spiritual aheng anu kaalaman ku Kanjeung Nabi, tapi minangka titimangsa gumelarna papagon hirup manusa anu nga- jamin kasalametan kahirupan dunya akherat. Lamun ditakdirkeun poho iraha, tanggal sabaraha, jeung wayah kumaha Alqur’an diturunkeunana, asana moal leuwih cilaka tibatan poho kana eusina, poho ngajalan- keun parentah jeung laranganana, poho yen Alqur’an teh papagon hirup anu ngudukeun saban manusa mutlak ta’atna. Wallo- hu’alam bissawab. *** Manglé 2438 15 tina internet
  16. 16. Tanya Jawab Munara Cahaya Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI Lembaga Pengkajian dan Pengembangan Syiar Islam UNPAS Sual Qodo jeung Fidyah Patarosan: Dina bulan Puasa taun samemehna, abdi gaduh keneh qodoaneun puasa. Lantaran teu kabujeng wae ngodoaneun tea, teu karaos sumping deui puasa. Nu jadi patarosan, kumaha kedahna supa- dos abdi tetep kalebet jalmi nu toat kana agama. Punten, sanaos ayeuna tos sanes deui sasih puasa, namung mudah-mu- dahan ku aya waleran mah, abdi janten hati-hati. Hatur nuhun kana waler- anana. Wassalam, Romadon Syah Geger Kalong Hilir Bandung Waleran: Nu janten prinsip utama, yen puasa sasih Romadon keur umat Islam, hukumna wajib, sakumaha nu kaunggel dina surat al-Baqarah ayat 183. Lan- taran hukumna wajib, atuh nuhenteu ngalaksanakeunana hukumna dosa, anging ka jalma-jalma nu ngagaduhan- halangan (udzur syar’i). Palebah dieu mah mangka wajib ngaganti (ngodoan) puasa anu ditinggalkeunana. Pidawuh Alloh: “… mangka saupama di antara aranjeun ngarasa teu damang atawa dina kaayaan nyanyabaan (safar), mangka wajib diganti dina poe-poe lianna…” (QS. al-Baqarah: 184). Anapon dina hukum qodo, aya nu kedah diperhatoskeun. Kahiji, ning- galkeun puasa Romadon ku sabab aya halangan sacara syar’i (udzur syar’i). Anu disebat udzur syar’i nyaeta udzur atawa halangan anu disahkeun ku hukum Islam, sapertos henteu damang wales, nyanyabaan (safar), ngalahir- keun, kedah nyusuan jeung sa- bangsana. Jumhurul ulama geus sapuk saupama aya jalma anu ngabogaan hutang qodo puasa nyaeta puasa Ro- madon kusabab udzur syar’i, terus nunda qodona nepi kadatangna bulan Romadon deui, mangka henteu jadi dosa ka manehna jeung meunang diqodoan dina poe-poe anu mungkin manehna bisa ngalakukeuna sok sana- jan tos dua atawa tilu kali bulan Ro- madon anu dialamana. Contona, saupama aya istri anu kakandungan di bulan Romadon taun 1433 H., terusanjeunna henteu mam- puh ngalaksanakeun puasa dina eta bulan Romadon salila sapuluh poe ala- tan bisi ngaganggu kana kasehatan janin atawa indungna anu nuju ngan- dung, mangka jumhurul ulama mu- fakat wajib pikeun manehna ngodoan puasana anu ditinggalkeun dina poe- poe sabada rengse bulan Romadon eta. Tapi saupama sabada bulan Romadon taun eta (1433 H.) teu acan keneh mampuh ngalaksanakeun qodo puasana, alatan kedah nyusuan nepi ka datangna deui bulan Romadon taun 1434 H.,mangka henteu jadi dosa pikeun manehna jeung meunang ngodoan puasana dina poe-poe anu mungkin manehna sanggup ngalak- sanakeuna sok sanajan dua atawa tilu kali bulan Romadon anu ditinggalkeu- nana. Kadua, kumaha saupami anu nga- gaduhan tanggungan qodo puasa, boh alatanngalahirkeun, teu damang parna atanapi alatan safar, teras henteu ngalaksanakeun qodoalatan ngamo- morekeun nepi ka datangna bulan Ro- madon deui? Pikeun ka jalma anu saperti kitu mah, leuwih ti heula manehna wajib tobat, neda pangam- pura ka Gusti Alloh ku sabab tos namo- lerkeun kana salasahiji parenta-Na, kalayan bari ulah ngabogaan niat bade namolerkeun deui. Saatosna kitu, nu- mutkeun Jumhurul Ulama ti Madzhab Maliki, Syafi’i, Hambali, Abu Hurairah, Ibnu Abbas, Ibnu Umar sareng lianna sapuk, wajib pikeun manehna mayar fidyah salila poe-poe anu ditinggal- keunana bari tetep wajib ngodoan puasana. Contona, saupama aya jalma anu ngagaduhan tanggungan qodo puasa Romadon taun 1433 H. teras saatos rengse bulan Romadon taun eta manehna ngabogaan kasempatan pikeun ngodoan hutang puasana, tapi manehna namolerkeun nepi ka- datangna bulan Romadon taun 1434 H, mangka pikeun manehna wajib mayar fidyah hutang puasana bari tetep wajib ngalaksanakeun qodo. Hartosna, kawa- jiban qodo tetep dilaksanakeun bari wajib mayar fidyah, sabab manehna tos namolerkeun kana mayar qodo puasana dina eta taun (1433 H.) nepi ka datangna bulan Romadon taun 1434 H. Kawajiban mayar qodo jeung fidyah eta salila poe-poe anu ditingalkeun atawa poe-poe anu jadi tanggungana. Saupama jumlah puasa anu wajib diqodoanana salila tujuh poe, terus kabayar dina eta taun mung salila dua poe, mangka anu jadi tanggungan manehna mung lima poe deui. Jadi anu wajib dibayar fidyah jumlahna mung lima poe deui bari tetep wajib qodo puasa salila lima poe. Anapon fidyah anu wajib dibayarkeuna lobana nyaeta 1 mud/poe anu wajib dipasihkeun ka fakir miskin, mangrupa katuanganpoko di eta tempat. Upama wae di urang mah beas, nya mayar fidyahna oge ku beas.Fidyah ieu diwajibkeun pikeun ka jalma anu henteu mampuh ngalak- sankeun puasa wajib, ku sabab nga- gaduhan panyakit atawa ku sabab yuswa anu tos kacida sepuhna sahingga henteu mampuh ngalaksanakeun ibadah saum. Sakitu, mudah-mudahan waleran ieu ageung mangpaatna. Wallohu 16 Manglé 2438
  17. 17. Niténan Alam Maca Jagat Tatar Sunda K itu di antara kekecapan nu kabaca dina pangjajap buku Wanoh ka Lakuning Jagat. Eta bukut téh yasana Prof. Dr. Ir. H. Adjat Sudradjat, M.Sc., Guru Besar Geologi UniversitasPadjadjaran(Unpad),Ban- dung. Nu jadi bukur catur téh alam, pangpangna gunung. Ngan, teu saka- dar nyaritakeun jengléngan alamna da nyosok jero, kaasup nyaritakeun nu tumalina jeung kahirupan. Manusa nu hirup jeung alamana, bisa ngamang- paatakeunalamsabudeureunanakala- yan langgeng. Nya, bisana kitu téh, upama manusana wanoh kana rindat sarta tanda-tanda alam. Alam mawa barokah. Gunung-gu- nung nu parentul di saban tempat, ngalantarankeun cai ngalir ti girang ka hilir. Sakur nu kaliliwatan jeung kasimpangan ku cai pada-pada milu untung. Ku parentulna gunung deuih jadi cukang lantaran tumuwuhna warna-warni tutuwuhan, ogé pangan- cikan rupa-rupa sasatoan. Ku lantaran kitu deuih, manusa gé bisa ngalap mangpaatna tina tutuwuhan jeung sasatoan nu nyampak sabudeureun- ana. Gunung mahala-mahayu. Ngan, gumantung ka manusana! Puncak gu- nung atawa congcot gunung, bisa dise- butkeun tandon cai, sabab di dinya méga téh neumbag congcot. Dibarung ku hawa tiis, méga téh jadi hujan nu salawasna maseuhan congcot gunung. Haseupanungeluntinakawahmawat- na téh nyedot saab anu ngulibek dina méga. Ku kituna, dina congcot gunung méga téh gancang pisan jadi hujan (kaca 10). Najan gunung nu nyidem seuneu bisa waé bitu, tetep loba mangpaatna. Gunung-gunung nu kungsi bitu, saterusna mah mawa barokah, lembur sabudeureunana gé kabagéan cai ha- neut. Matak, teu sing anéh, di tatar Sunda mah loba pisan tempat-tempat cai panas téh. Mangpaat gunung teu ngan ukur mayengna cai jeung gas bumi, di tatar Sunda mah, loba gunung nu mibanda emas. Nu kawas kitu téh saperti nu kasaksen di wewengkon banten terus mapay ka pakidulan tatar Jawa Barat. Emas gé jadi kauntungan keur nu ngokolanakeunana. Di bagéan sejen éta buku (kaca 23), nyaritakeun rajakaya tatar Sunda. Naon tea? Nu remen jadi kacapangan téh panas bumi. Eta téh sumber energi nu moal orot najan disebdot. Ku lan- taran kitu, eta ‘tanaga’ panas bumi téh jadi andelan kiwari jeung mangsa jaga. Geus bisa dikira-kira, upama beuki lila minyak beuki langka, ahirna mah nu jadi andelan téh, di antarana panas abumi téa. Buku Wanoh Ka Lakuning Jagat, nyaritakeun pangaruh alam pisik kana kahirupan manusa. Rengkak polah manusa geus pasti luyu jeung kaayaan alam sakurilingka. Lamun teu kitu, éta manusa tangtu tumpurna. Hartina, manusa jeung budayana satékah polah ngindung ka waktu mibapa ka jaman, sarta nitenan rindat jeung paripolah alam. Nu nulis eta buku buku, ngaduma- niskeun sawangan geologi jeung bu- daya. Atuh, dina nyaritakeun alam tatarSundagéliantimedar pisikalam, sajarahna, ogé budayana. Gambaran kitu, muka lolongkran nu maca leuwih wanoh ka nu kungsi, keur, jeung nu bakal kaalaman mangsa jaga. Paripolah alam, memang, teu bisa dihalang-halangan. Saperti gunung bitu,lini,jeungtsunami,bisakaalaman iraha baé. Komo deui nu dumuk di tatar Sunda, kurang leuwih 60 persen ayadinawewengkonnu‘nampeu’kana mamala alam (63). Ngan, ku cara mikawanoh alam, manusa bisa maca rindat alam, sarta taki-taki dina mangsana aya bancang pakweuh nu dilantarankeungunungbitu,lini,jeung tsunami. Ku lantaran kitu, ieu buku payus jadi bacaan balarea sangkan dina sajeroning ngamangpaatkeun alam, oge bisa nyegah mamalana. *** (Ensa) Manglé 2438 17 Judul Buku: Wanoh ka Lakuning Jagat Pangarang: Adjat Sudradjat Panerbit: Galeripribadi – Bandung ( Januari 2013) Kandelna: 71 kaca Bituna Gunung Rakata dianggap kila-kila, ciri wanci ning- gang mangsana ngusir urang Walanda. Soldadu nu keur meuli bako, ditewak. Asistén Residen Hendrik Gubbles dibeberik ti tungtung kulon ka tungtung wétan. Bui didobrak, pangeusina dibudalkeun.
  18. 18. 18 Manglé 2438 B uku-buku biografi para insan seni galindeng Sunda tradisi saeutik pisan, hu- susna tembang Sunda Cian- juran. Akibatna urang ayeu na teu uninga kumaha jasa aranjeunna sareng naon baé karya-karyana nu kan- tos ngajembaran khazanah seni galin- deng Sunda. Nu katiténan dugi ka ayeuna mung aya tujuh buku biografi nu kantos medal nyaéta biografi Bakang Abubakar (Aah Ischak, 1988), Tati Saléh (Aam Amélia, 2001), Nano S. (Hawé Setiawan, 2004), Tien Rostini (Arthur S. Nalan, 2006), Apung S. Wiratmadja (nyalira, 1996 & 2006) jeung Hj. Euis Komariah (Aam Amélia, 2010). Ari nu pangahirna Nénéng Dinar (HD. Bastaman, 2011). Tah pangalaman nyusun biografi Nénéng Dinar nu badé dipedar téh. Ambisius ari kahoyong mah. Hoyong nyusun buku biografi, sakirang-kirangna artikel, para juru galindeng nyongcolang dina mamaos Cianjuran ti angkatan kasepuhan nepi ka angkatan ayeuna. Nanging kandeg jalaranrupi-rupialesan, utamina kirang data sareng sesah men- dakanrekamansoantenaranjeunnadina kasét, cd sareng vcd. Dipaluruh ka nu ka- gungan soanten… teu nyimpen hiji-hiji acan.Manjingbabasan“pandaymahtara bogaeun bedog”. Seuseueurna mah nyaurkeun “ditarambut nanging pleng les taya nu ngawangsulkeun”. Atuh sami baé sareng nambutkeun buku carang nu keresamulangkeun.Dugikaayababasan dinabasaasing,kieucenah: “Nganjalma bodonunginjeumkeunbukukanuséjén. Tapi leuwih bodo deui mun geus ngin- jeum dipulangkeun”. Ku margi langka data téa, utamina para kasepuhan, kapaksa harita kedah milih-milih saha nu badé dilalakonkeun. Saratna: panembang nonoman nu teu sénior teuing sareng sanés nu yunior, aktif kénéh dina kagiatan tembang Sunda, aya album galindengna, prés- tasina nyongcolan, maparin andil kana kamekaran seni galindeng Sunda tradisi tur kualitas galindengna kénging pa- ngangken ti masyarakat. Pokona mah Insya Allah perjalanan ngahontal karir sareng ngawujudkeun karya-karyana masih panjang waktosna. Sim kuring cop téh ka sdrk. Nénéng Dinar Ratna Suminar nu katiténan wak- tos éta “nyepeng bandéra” di lingkungan Tembang Sunda. Ditingal tina ngawitan munculna Nénéng Dinar aya diantawis para kasepuhan, maéstro sareng sénior- kahot taun 70 - 80an, nanging saluhur- eun angkatan béntang harepan taun 2000-an. Anjeunna panembang generasi nono- mannumuncultikawittaun1990-antur tetep nyongcolang dugi ka ayeuna. Kale- bet panembang nu leubeut préstasi sarta nampi pangajén ti masyarakat sareng pemda Jabar. Kualitas galindengna ogé diangken luhur ku sasama seniman musik internasional waktos mintonkeun tembang Bandungan di Gedung Unesco Paris taun 2006. Malah Prof. Andrew N. Weintraub ti Universitas Piitsburg mu- jina téh kieu: “…the tembang Sunda vo- calist Neneng Dinar, who has one of the most beautiful voices on the planet….”. Rada kaleuleuwihi, nanging da leres kitu. Sajabi ti étaNénéng Dinarngiring aktif ngarojong gelarna tembang-tembang wanda anyar di lingkungan tembang Sunda kiwari nyaéta Katem (Kawih & Tembang), Sekar Anyar sareng Tembang Bandungan bari tetep ajeg dina padika mamaos Cianjuran. Nénéng mibanda soraistiméwanukalintangluwesna,dugi ka teu sesah nyoraan motif-motif galin- deng nu bénten-bénten wandana bari kualitasna tetep prima. Dina ngagalin- dengkeun lagu-lagu Tembang Bandun- gan bakal kauninga kumaha tapisna Nénéng Dinar ngaworkeun kalayan mulus téhnik-téhnik mamaos cianjuran nu linduk, liukan mujawwad nu linghas, kawih nu hégar sareng téhnik sériosa sareng operanu anggun.Komolagu-lagu ayem, agamis tur mélankholis, sapertos untayan lagu Sunda Islami, kawadahan pisan ku Nénéng Dinar mah. Malah dina Kasidah Sundawi mah nuansa “minyak samin” karaos “gurih”na. Nu matak curinghak téh horéng dina kawih kaléran gé Nénéng mahér pisan. Blég baé sindén pantura nu sénggol- sénggolna lincah sénsual tapi tetep so- pan, élitis tur terpelajar. “Sindén nya kola” jujuluk ti dalang kawentar Dédé Amung mah. Kitu rupina nu disebat sora ka bula ka balé téh. Multi-talénta atuh is- tilah nu payus dilarapkeun ka jinisna mah. Nanging waktos gagasan nyusun bi- ografi ngawitan pisan didugikeun, Nénéng Dinar sasatna kéképéhan nyau- rkeun teu rumaos waktos sim kuring ngébréhkeun sabagian pertimbangan nu kaunggel di luhur. “Naha Nénéng, sanés panembang nu sanésna? Apan seueur. Nénéng mah tetep ngaraos héjo kénéh” kitu réaksina. Ku pribados diwaler kieu: “Mending gé tetep ngarasa héjo ambéh bisa asak. Mun urang geus ngarasa asak dagoanbaé.....burukna”.Dukakasigeung dukahenteudikiyasankumanggaharum manis téh. Perkawis judul buku “BÉNTANG TEMBANG: Fragmén Kahirupan Né- néng Dinar” nu kantos kedah “hoghag” heula téh. Nénéng Dinar kaabotan ku kecap “béntang tembang”. Alesanana “sieun riya” saurna. Nembé ayem tur Meunang Luang Pangalaman nyusun buku “Béntang Tembang” Ku: H.D. Bastaman
  19. 19. Manglé 2438 19 nyaluyuan saparantos disanggeman kieu: “Yeuh, Néng, jalma riya mah najan riwayatna teu dibukukeun ogé bakal tetep resep pamér. Nu riya mah di mana baé, iraha baé, jeung ka saha baé tetep kitu, sabab riya mah ayana dina haté jeung niat. Ari Nénéng kaasup jalma riya atawa henteu?”. (Rupina di dinya ung- gulna nu nyerat biografi téh nyaéta tiasa “ngagebés” béntang tembang). Luyu sareng judulna, buku téh eusina rupi-rupi pangalaman sareng ketakna Nénéng Dinar di lingkungan seni galin- deng Sunda tradisi di sarakan sareng mancanagara. Diseratna parondok, én- téng tur aya unsur humorna. Ngarah teu bosen maosna maksad téh. Mangga geura aos contona “Sarua Meunang Piala”: “…Sajabi ti guru maénpo, Apih (pun bapa) resep pisan miara domba adu. Tah, diantawis domba-domba aduna aya nu istiméwa pisan. Domba téh awakna dedeg sembada, gagah, macho, buluna bodas ngeplak, malah tandukna gé warna gading. Kalebet carang domba nu wandana kitu mah. Jeung asa can kantos éléh deuih mun diadukeun téh, salawasna juara kahiji. Sami sareng Nénéngsakaémutjuarakahijibaétikelas hiji SD kénéh unggal ngiring pasanggiri kawih. Éta domba kawentar pisan sa- Majalaya, dugi ka seueur nu ngajak “bébésanan” ka Apih, ti pihak itu nyayagikeun domba bikangna. Duka pédah domba buluna bodas tur taya nu ngéléhkeun atanapi bakating ku deudeuh, éta domba jalu ku Apih dinga- ranan….Si DINAR. Nuju budak mah sok keuheul mun aya nu nyauran “Dinaaar” ka Nénéng, asa disaruakeun jeung nyalukan domba. Jeung hariwang deuih, kumaha mun diwaler “Kaaah”, hég domba bareng ngabérélé. Lucuna upami miéling Hari-hari Besar nu direuah- reuah ku rupi-rupi perlombaan, boh Nénéng boh Si Dinar wangsul téh sok sami-sami ngaboyong piala atanapi medali juara kahiji sareng hadiah-hadi- ahna. Béntenna Nénéng Dinar mah hasil paalus-alus sora, ari Si Dinar mah ladang pateuas-teuas hulu….” Rada lami ogé prosés “négosiasi” téh nembé aya kaputusan: Nénéng Dinar keresa! Kitu gé bari nganggo implik-im- plik badé nyuhunkeun widi heula ti ibuna, Hj. R. Ruminda. Malah proposal penulisanana gé dicandak heula.... umroh sasih Juni 2010. Diistiharohan atanapi henteuna mah, teu terang. Buku “Béntang Tembang” téh nu wedalan PT. Kiblat Buku Utama di- wuwuhan ku seratan pangbagéa ti Hj. Euis Komariah (almh) sareng Drs. Ubun Kubarsah salaku guru-guru Nénéng Dinar. Dupi sawangan budayana diserat kuProf.Dr.H.GanjarKurnia,DEA,Rék- tor Universitas Padjadjaran. Malah launching-na ogé di Aula Unpad dihi- jikeun sareng pagelaran-seni “Néng Dinar Ratna nu Nyuminar” ping 3 Juni 2010. Hanjakal Hj. Euis Komariah teu kantosnungkulanmedalnabukubiografi muridkadeuheusjalarankabujengngan- tun tilu sasih sateuacanna. Naon baé nu diguar dina buku “Bén- tang Tembang”? Sadayana pangalaman pribadi Nénéng Dinar nu unik tur ngan- dung ajén-inajén kahirupan. Malah upamimaosnabaridilenyepanmahbréh baékagambarkarakteristikméntaljuara, diantawisna: - Mibanda bakat jeung karesep husus (upamana ngagalindeng) sarta ti anggalna boga cita-cita nu jelas hon- taleun. - Aya di lingkungan (kulawarga, sakola, sasama) nu ngarojong mekarna bakat jeung karesepna tur méré kasempetan mintonkeun préstasi. - Boga guru nu geus kabuktian suksés tu- turkeuneun jeung tuladeun. - Temen wekel, teu gampang sugemaan, salawasna daék diajar jeung latihan terus-terusan pikeun ngaronjatkeun kualitas pribadi (élmu, kaparigelan téhnis, penghayatan, sikep profésional jeung karakter). - Ngabersihan niat tur jembar haté nyanghareupan nu béda pamadegan - Maliré kritik bari teu maliré gossip. - Béréhan ku rijki jeung élmu, sabab sadar rijki jeung élmu mah beuki dite- barkeun beuki nambahan - Resep ngajak nu séjén babarengan suk- sés - Loba batur jeung luwes dina campur gaul bari tetep waspada kana “piba- hayaeun”. - Salawasna ngadunga ka Nu Maha Suci, satia ka guru tur sumujud ka sepuh, hususna ka indung. Pikeun sim kuring pribadi nu nyusun buku aya hal-hal husus nu nimbulkeun réspék ka Nénéng Dinar nyaéta kuat ka- hayang jeung sikepna nu teger tur tang- goh nyanghareupan kapeurih jeung tunggara nu pohara bari terus ngudag préstasi, ngaronjatkeun kualitas pribadi, nyukupan kulawarga jeung nanjeurkeun profésonalitas. Picontoeun. Sajaba ti éta nganteng tali silaturahmi lain baé jeung nu dilalakonkeun, tapi ogé jeung ku- lawargana.Asanambahanbaraya!Malah mun kabeneran nyaksian pagelaran seni hég harita aya Nénéng Dinar, sok dikenalkeun ka para inohong. Da leres atuh jalaran ditepangkeun ku anjeunna sim kuring tiasa wanoh sareng para pamirig pakar sapertos: Iwan Mulyana (suling), Yusdiana, Gan-gan Garmana (kacapi),GalihGustamijaya(rincik).Kitu deui sareng para selebriti: Ujang Supri- atna, Elis Rosliani sareng Héri Hérianto, kalebet Hj. Euis Komariah. Terangeun meureun nu nyusun biografina téh rada “kuper” di komunitas galindeng Sunda tradisi mah. Sim kuring gaduh pangala- man batin unggal réngsé maca buku bi- ografi/otobiografi, kalebet waktos nyu sun buku ieu. Sok kagambar dina imaji- nasi “disain” Gusti Nu Maha Suci pikeun unggal manusa, hususna pribadi nu di- lalakonkeun. Maksad téh Mantenna nangtoskeun disain umum nu kalintang luwesna sarta maparin nugraha luar biasa ka unggal manusa mangrupi: roh (ciptaan) Ilahi, watek (bakat, sipat, tem- peramén), napsu (cita-cita, kahayang), akal (intéligénsi, wangwangan), haté (rasa, nurani) miwah daya pikeun ngarobah nasib. Sadayana mangrupi poténsi nu kedah diréalisasi ku manusa sorangan. Mantenna ogé maparin pitun- jukmangrupiagamamiwahngintunutu- san pinilih salaku uswatun hasanah, tuladan idéal: Kangjeng Rosul saw. Nugraha sanésna ka manusa nyaéta kabébasan (sanés paksaan) nu kalintang jembarna pikeun ngokolakeun sareng ngaréalisasikeun poténsi diri sarta milih jalan hirup nu madoman kana pitun- jukNa sangkan salamet dunya ahérat. Malah nangtoskeun “nasib” mah méh sagemblengna disérénkeun ka manusa. “...Saenyana Gusti Alloh moal ngaro- bah kaayaan salahiji kaom, satungtung maranéhnahenteungarobahkaayaandi- rina...” (QS. Al-Ra’ad/13: 11). Tah, tina biografi bakal kauninga kumaha ketak hiji pribadi ngaréalisas- ikeunkalayansadarpoténsidirinasareng perjoangan ngarobah nasib tina kondisi kirang saé janten langkung saé. Dina hal ieu, katiténan Nénéng Dinar kalayan cer- das tur merenah tiasa milih rupi-rupi kasempetan sareng lolongkrang-lolong- krang kahirupan pijalaneun mekarkeun poténsi sareng ngahontal kualitas hirup nulangkungcangrapikeundirinamiwah kulawargana. Atuh galindengna mugi mibanda ajén ibadah, dina hartos tiasa ngalemesan rasa miwah budi-pekerti pikeun dirina sareng sakumna nu ngadarangukeun tur ngahudang éling ka Mantenna. Amiin ya Rabb. Ciputat, 24 Méi 2013
  20. 20. 20 Manglé 2438 S umanget nataku. Bulan puasa aye- una, si bungsu diajar puasa tamat nepi ka maghrib. Budak umur tujuh taun, mani sok watir ningali pépéréngkélan la- parna. Komo lamun balik sasapédahan jeung ba- turna, ngabeubeurang. Kadang katingali biwirna garing. Kajeun anyangan barbie wé atuh ceuk kuring téh. Tara ngajawab, manéhna sok tuluy ngaléndé bari ménta diusapan, reup wé saré. Hudangna téh engké lamun rék sholat dzuhur, geus sholat indit sakola TPA. Sok sanajan direumbeuy ku paménta itu-ieu puasa- na téh. Hayang baju leba- ran dua, hayang hapé, hayang sapédah anyar téa mah, keun waé nu penting daék puasa. Matak sok di- wowoy gé. Song duitna, song dahareunana. Sagala diaya-ayakeun keur anu di- ajar puasa. Malah sok nepika ditanyakeun engké buka atawa saur hayang dengeun sangu naon. Lamun rérés sholat ashar, cakah-cikih milu ri- weuh di dapur. Natahar- keun keur buka. Hayang milu nyiksikan bawang, hayang milu ngagoréng témpé. Ngambengkeun da- hareun dina méja makan gé hayang ku sorangan. Palaur tamplok wé kolekna. Ari sagala geus diam- bengkeun, manéhna sok tuluy diuk nanggeuy gado bari neuteup dahareun. Kadang sok katohyan di- ambeuan atawa dicam- paan, manéhna sok nyéréngéh garo-garo teu ateul. Bari pokna téh, énak meureun nya. Geus deukeut ka maghrib, pok deui pok deui manéhna nanya, naha ka waktuna maghrib téh sabaraha menit deui. Tam- polana ari geus waktuna buka atawa saur mah, da- harna téh saeutik. Ku in- dung bapana kénéh dibéakkeunana mah. Mun rék tarawéh, mani geus saged ti tabuh sate- ngah tujuh kénéh. Pokona geus tajil jeung solat maghrib tuluy manéhna dangdan. Heug ditiung. Gundayan-gundeyen dierok, mawa sajadah jeung mukena. Sakitu diengké- engké sina dahar heula ku kuring téh, éh da teu daék. Alesanana téh bisi kaburu béakeun tempat. Engké wé dahar mah balik tarawéh cenah. Bapana ngahen- jigkeun. Kuring gé teu bisa kumaha. Méméh indit, budak ménta duit keur ngéncléng jeung jajan. Ari keur kuring mah asal budak daék tarawéh. Géus bagja haté téh. Ari geus dibéré duit téh, celengok nyium leung- eun mani kuat soraan. Ari tapakna mani baseuh. Kayungyun wé nu aya. Ba- pana mah sok tuluy nyium tarangna. Bari pokna téh sing leres tarawéhna nya, tong heureuy komo nga- gandéngan ngaganggu ka batur mah. Teuing kadé- ngéeun teuing henteu, da budakna mah kaburu ngaberebet lumpat nyam- peurkeun babaturanana nu geus raéng ngagentraan. Waktuna janari, sok teu Carpon Anggi Novia Dewi Anaking jeung Bulan Puasa
  21. 21. Manglé 2438 21 wasa ngahudangkeunana. Lalaunan bari diusapan. Diguyahkeun, kakara dibukakeun simbutna. Mun teu kitu mah aya bahan ceurik embung janari. Sok dititah wudlu heula ku ku- ring téh sangkan teu tun- duh teuing. Gék dina korsi, lelenggutan deui. Tung- tungna sok dihuapan. Nu lelenggutan, lelenggutan. Nu ngahuapan, ngahuapan. Sholat subuh, hayang jadi imam. Hayang ngabuk- tikeun ka kuring cenah, yén manéhna geus apal bacaan sholat. Bapana jeung si cikal nu lalaki mah da sholat di mesjid. Prak tak- biratul ihrom mani khusyu, bacaanna tartil. Ni’mat kacida sholat diimaman ku manéhna téh. Rokaat ka hiji maca surat al-fiil, rokaat ka dua maca surat al-falaq. Mani lekoh téh qolqolahna. Ari geus sababaraha poé diimaman sholat subuh ku manéhna bét hantem éta suratna téh. “Gentos atuh énjing mah suratna nya. Pan tos apal surat nu rada panjang ogé sanés?” ceuk kuring bari nilepan mukena. Jawabna téh keukeuh, “éh, da upami diajar prakték sholat subuh di TPA gé, Pa Ustad sok maca surat éta. Al-fiil sareng al-falaq.” Kuring ngan wasa nga”oh”keun bari unggeuk bati kayung- yun. Ari si cikal, kawantu keur meujeuhna begér bulan puasa ayeuna téh. Kuring mah api-api teu nyaho wé, lamun minyak seungit bapana dipaké téh. Buuk dirancungkeun maké minyak buuk bapana, tara dikopéah mah, sangkilang bogaeun gé. Baju koko ung- gal poé hayang salin. Ari indit tarawéh embung bareng jeung indung bapa, manéhna mah sok pan- deuri. Konci imah mah da sok diteudeun dina juru pot kembang. Hiji waktu mah, ditingali ti kajauhan ku kuring jeung bapana téh, manéhna indit bareng jeung budak awéwé. Angkanan mah kabogohna. Siga kalakuan bapana wé meureun baréto, ceuk ku- ring. Bapana nyenghél. Béda deui cara ngabeubeurangna si cikal mah. Mimiti mah sok ulin jeung babaturanana. Tuluy robah ulin ka warnét. Geus dihulag ku bapana yén ka warnét téh keur budak saumur manéhna mah loba mudorotna. Naon anu dibuka tina internet téh jauh tina mangpaat. Apan deuih sakola keur peré, jadi moal aya pancén nu kudu ditéangan tina internét. Puguh gé jaman keur sagala mararahal kieu, nga- bangkarkeun kolot. Sabab anggaran keur budak ka warnét mah taya ancoan- ana deuih. Geus kitu, si cikal min- deng ngonci manéh di pangkéng. Sugan téh saré, ari ditingali keur ngomé hapé. Kadang nepi ka lalanggiran, untung teu nepika nonggéng gé. Kadang seuri sorangan, kadang kerung siga nu mikir bari panon jeung ramo manco kana hapé. Ari ditanya téh keur chatting jeung babaturanana. Mending saré ceuk ku- ring téh, da nu puasa mah saréna ogé pahalaan. Dari pada méakkeun pulsa, atuh sarua kénéh nurut kana nafsu, nurut ka syétan da awuntah kana duit. Jaba apan balik tarawéh téh manéhna mah tara lang- sung ka imah. Kadang nepi ka tabuh sapuluh peuting da ulin heula cenah. Geus balik ka imah téh tara lang- sung saré, kadang katingali masih ngomé hapéna. Hésé dicarék ari budak keur meujeuhna belekesenteng kitu. Teu bisa leupas pisan tina hapé téh. Geus puguh di pangkéng, ka cai ogé mawa hapé da bari ngadéngékeun lagu. Kadang keur sholat gé hapé téh diteudeun dina gigir pangsujudan. Ari wak- tuna aya sms, sholat nu tadina anca téh jadi gu- runggusuh da hayang geuwat muka eusina. Luak- lieuk, awéh salam, ceg deui kana hapé lain dzikir. Keuheul mah éta ari keur saur, masih kénéh ngomé hapé. Geus puguh hésé dihu- dangkeun, ari waktuna dahar léléda pisan, jaba téréh imsak. Atuh da, am sangu sahuap, ceg hapé. Uyuhan teu salah ngasup- keun sangu gé. Hiji mangsa mah dikotéktak eusi hapéna téh. Aduh ieung, paingan resep nyo’o hapé da eusina ogé ayang-ayan- gan jeung kabogohna. Isukna dipapatahan ku bapana. Atuh puasa téh, keur budak saumur manéhna mah kudu geus bisa ngundak kualitasna. Lain ukur bisa nahan diri tina haus jeung lapar wungkul siga adina, tapi ogé kudu bisa ngajaga haté jeung pikiran katut laku lampah jeung omongan. Kaasup bobogohan ngali- watan hapé. Enya puasana mah moal batal, tapi ngu- rangan kana pahalana. Tungtungna, bapana moal deui pangngeusiankeun pulsa. Sapuk ceuk budak téh, tapi bérés puasa hayang di- pangmeulikeun play sta- tion, atawa netbook, syukur-syukur motor cenah. Kahayang mah tong loba paménta ari geus gedé mah. Sing surti kana kaayaan kolot. Sakitu kolot téh nyanghareupan bulan puasa, harga ngararundak, bayaran sakola, jaba nyang- hareupan lebaran. Ih, da lain deui jawab si cikal mah, ari si dédé rék dipang- meulikeun sapédah anyar cenah. Berarti hadiah lebaran Aa kudu leuwih alus. Sangkan saluyu jeung kebutuhan cenah. Geus dua poé teu geugeut teuing kana hapé, tapi sapopoéna téh ngan saré wé. Kuat hésé dititah sholat gé. Ngaahir-ahir waktu sholat, geus téréh béak, kakara wudlu. Dipapatahan gé hésé, ngajawabna téh apan saréna nu puasa mah pahalaan saur ibu gé cenah. Alah ieung, naha budak ayeuna mah mani pinter upama ngabalik-balikkeun omongan kolot téh. Mun waktuna balik tarawéh téh ayeuna mah tara elat. Sok langsung balik ka imah. Ngan bari mawa petasan jeung kem- bang api. Heug disundut di buruan hareupeun imah. Lain atuh kuring nu rék saré téh hudang deui. Ba- pana nya kitu deui gandé- ngeun. Sok sanajan salah sahiji pancén bapana téh ngarajia petasan, ari ka budak mah keukeuh wé teu bisa. Si bungsu nurutan hayang nyundut petasan jeung kembang api. Kadéngé galécok jeung lanceukna. Lain atuh bu- ruan téh nya bau merecon, nya kebul ku haseup. Nu hiji bebeledagan matak racleng tai ceuli, nu hiji deui tingbelesat pépérépé- tan hurung mancawura maturan tingkaretipna bén- tang. Nu nyundutna mah saleuseurian, suka bungah ngabagéakeun bulan puasa. Indung bapana mah nga- langeu, teu bisa sararé.*** Baitii, 8 Juli 2013 Haturan utun inji nu karék datang
  22. 22. 22 Manglé 2438 E nduy cinutrung di juru stasion, niténan jalma- jalma nu paba- liut ka ditu ka dieu bari rébo ku sagala rupa babawaan. Di hareupeun lokét, antayan jalma kacida panjangna, lir nu keur arulin oray-orayan. Ari di handap, ngabarak jalma jeung ba- rang-barang. Sawaréh gun- treng ngobrol, sawaréh deui anteng nongton pilem India dina tévé anu aya di rohang- an stasion. Enduy gé biasana mah sok nagog ngadon lalajo tévé, bareng jeung jalma- jalma nu keur ngadagoan lokét dibuka. Ayeuna mah perhatianana lain kana tévé, tapi kana jalma-jalma nu ngaliud di statsion. Manéhna banget ku héran, naha bet sababaraha poé ieu statsion téh pinuh pisan ku jelema..... “Deuk ka marana batur téh, mani ramé kieu? Boa deuk parindah, da marawa barang sakitu lobana? Naha bet réa-réa teuing nu rék pin- dah...?” haténa norowéco. “Perhatian! Perhatian! Jalan tiga dari arah Barat segera masuk Keréta Ékonomi tujuan Surabaya....” Enduy nangtung. Ninggali kajero, ka tempat rél lintasan karata nu ngajajar. Ti Kulon, karéta nu warnana gading polét bulao maju lalaunan ngadeukeutan statsion. Di sisis rél, jalma-jalam pahibut, teu salabar ngadagoan karéta nepi. Keamanan statsion sibuk ngatur jalma-jalma da loba nu kawas poho kana kasieun, teu mikir kasalamet- an diri, pada-pada hayang nangtung panghareupna ngarah bisa pangheulana asup kana gerbong. Ti jauhna Enduy ningali Kang Mamat sarta dua urang baturna milu paciweuh jeung para calon panumpang. “Wah ramé kieu mah pasti Si Kang Mamat bakal réa beubeunanganana, bakal réa duit. Keun ah engké ku uing rék dioloan.” gerentesna deui. Tacan gé karéta bener-bener eureun, loba nu geus tinggarajleng kana panto gerbong. Itu ieu pada-pada hayang pangheulana asup. Silih sedek, silih séréd, silih idek, katurug-turug bari barangbawa, atuh jadina teh metet dina panto. Macét, teu bisa asup. Kaamanan statsion beuki sibuk ngatur. “Itu geura, kuat ka pasedek-pasedek kitu...,” Enduy molo- hok. Karéta téh bener-bener lébér ku panumpang. Nu teu kabagéan tempat tingkalacat kana luhureun gerbong, teu beunang dicarék. Karéta lir digembrong ku rébuan manusa. Parat nepi ka Isa Enduy lalajo jalma-jalma di statsion téh. Manéhna balik, lain pédah bosen ningali jalma- jalma nu ngagimbung,tapi beuteungna geus pupurlitian ménta dieusian. Manéhna leumpang mapay-mapay jalan nu rada sepi, léok méngkol ka gang. Palebah gang nu rada poék aya tilu urang lalaki keur ngariung. Ti kajauhan ogé Enduy geus sidik lamun nu ngariung téh Kang Mamat jeung batur- baturna keur ngudaran eusi dompét. “Anjir loba beubeunang- anana, bagi euy!” Enduy satengah ngagorowok. Nu keur ngariung ting- rarénjag. “Saha?!” sora Kang Mamat. “Uing, Enduy!” “Goblog, sugan téh saha! Ngareureuwas waé siah mah, Senduy!” Si Arab, batur Kang Mamat, muncereng bari nyoo gadona nu bala ku bulu. “Geus ti mana manéh, Enduy?” “Ti Statsion....” “Deuk nanahaon manéh maké ka statsion sagala?” Sarkabo, batur Kang Mamat nu saurang deui, kerung. “Ningali jelema.” “Ningali jelema?” beuki kerung. “Enya. Mani loba-loba teu- ing nya nu naék karéta téh, caba bari marawa barang. Deuk parindah kitu?” Nu tiluan téh batan nga- jawab pananya Enduy mah kalah tingcakakak. “Na manéh téh belegug- belegug teuing, Senduy!” Si Arab ngadegungkeun sirah Si Enduy, “Yeuh, tangtu baé di statsion téh ramé lantaran réa jalma nu rék mudik, kapan téréh lebaran. Ari mudik kudu loba barang bawa!” “Ulah sok dugang-degung kana sirah budak téh, Arab!” Kang Mamat muncereng. “Heueuh, nyaho éta téh pi- anaktéréeun Si Kang Mamat...,” Sarkabo mairan bari nyengir. Dikitukeun teh Kang Mamat kuram-kireum. Gan- cang manéhna nyokot duit sarébu, song diasongkeun ka Enduy. “Yeuh, jang jajan manéh, Enduy. Jig geura balik ka ditu!” “Adoooh Si Kang Mamat ngajajanan anak teréna euy!” Si Arab jeung Sarkabo tingcakakak. *** Wanci janari leutik, tina spéker masjid mimiti raéng sora nu ngahudangkeun saur. Enduy ngulisik, nyah beunta. Katangen ku manéhna in- Carpon Dede Syafrudin Kakawihan
  23. 23. Manglé 2438 23 dungna keur nilepan keretas semén urut. “Ma...,” Enduy ngomong lalaunan. Indungna angger anteng nilepan keretas semén urut. “Ma!” leuwih tarik. Indungna ngarérét, “Geun- ing geus nyaring....” Enduy neuteup indungna, “Ma, ari ema iraha deuk mudik?” Indungna ngalieuk. Kerung, “Manéh téh ngalin- dur, Enduy?” Kuniang Enduy hudang. Gigisik. Terus diuk, nang- keup tuur. “Tadi uing ulin di statsion, Ma. Mani pasedek-sedek nu deuk naék karéta api téh. Cenah ceuk Si Kang Arab mah éta téh nu deuk marudik. Ema, ari mudik téh naon sih?” Méméh némbalan indungna Enduy ngahuleng heula. “Mudik téh..., Enduy, balik ka lembur.... Ngadon lebaran di lembur...,” pokna. “Kudu mawa barang anu loba mudik mah nya, Ma?” “Enya. Keur bagikeuneun ka baraya di lembur kapan.” Oh...,” Enduy garo-garo teu ateul, “Ari uing naha tara dia- jak mudik ku Ema? Isuk mah urang mudik yu, Ma! Uing mah hayang ngajaran mudik!” Indungna Enduy ngabigeu. Bet laju karasa aya nu nyelek dina tikorona. “Ma, uing hayang mudik ka lembur. Hayang panggih jeung baraya...!” Indungna Enduy ngarahuh. Leungeunna nu keur nilepan keretas semén urut téh ngadadak kandeg. Tina juru-juru matana mere- bey cipanon. “Yéh Ema mah kalah ceurik....” “Geus sia ah gandéng...!” cenah, bari nyusutan cipanon ku dampal leungeunna, “Geura saré deui kadinyah!” “Da uing mah geus teu tun- duh.” “Dahar atuh jig. Tuh aya kénéh liwet sésa peuting.” “Teu lapar deuih. Barina ogé uing mah lain hayang dahar atawa saré, uing mah hayang mudik...!” “Mudik ka mana, Enduy...?” “Nya ka lembur. Kapan ceuk Ema gé mudik téh balik ka lembur. Ngadon lebaran di lembur. Manggihan baraya....” Merebey deui cimata in- dungna Enduy téh. “Yéh kalah ceurik deui....” “Urang..., urang mah, Enduy, geus teu boga lembur teu boga baraya....” “Har...?” “Lembur urang mah geus jadi lapangan golep. Atuh dulur-dulur, baraya, kabéh gé transmigrasi ka Sumatra, meuntas lautan...,” cenah. Leungeuna pakupis nyusu- tan cimata anu teu eureun- eureun ngalémbéréh maseuhan pipina. “Ari Ema naha bet teu milu transmigrasi?” “Ema mah kapan nung- guan bapa manéh, Enduy.” “Har, na ka mana kitu bapa uing téh?” “Di bawa ku aparat basa ngahalangan buldoser nu rék ngarugrug imah urang. Tangtu manéh mah moal inget da harita téh burey kénéh pisan....” “Di bawa ka mana bapa téh, Ma?” “Teuing, teu nyaho Ema ogé....” Jempling. Duanana taya deui nu nyarita. Di luar, sora nu ngahudangkeun saur beuki raéng.... “Ma...,” Enduy ngangsrod ngadeukeutan indungna, “Uing mah hayang mudik....” “Ari manéh, Senduy, can ngarti kénéh baé. Mudik teh mudik ka mana? Kapan tadi gé geus dicaritakeun urang mah geus teu boga lembur teu boga baraya!” “Nya ka mana wé.... Uing mah hayang ngajaran mudik...,” Enduy mimiti ngarenghik. “Sok nu lain-lain waé sia mah!” “Uing hayang mudik...! Hayang mudik...!” cenah, bari ngenegnyang baju in- dungna. “Hih ku teu beunang diomongan bebenyit téh, sugan kudu ku ieu yeuh!” peletrak ceuli Si Enduy disin- treuk. Enduy ngaleupaskeun leungeunna tina baju in- dungna, tuluy ngaringkuk di juru bari ngadingdiut ceurik. Indungna Enduy neruskeun deui hancana nilepan keretas semén urut. Cipanonna angger merebey. “Éha! Éha...!” kapireng sora nu ngageroan. Kalayan teu ngadagoan ditémbalan, nu ngageroan téh mukakeun panto, tuluy asup. “Euh..., Kang Mamat...,” ceuk indungna Enduy, laju rikat nyusutan cipanonna. “Aya naon ieu téh? Ku naon ceurik?” “Éta atuh da bebenyit pikasebeleun, kahayangna téh nu lain-lain baé...!” “Hayang naon cenah Si Enduy téh?” “Hayang mudik!” Enduy nu keur ceurik nyelang heula némbalan. Kang Mamat kerung sakedapan, laju ngagakgak seuri, genah naker. “Ngarana oge budak atuh, Éha, dianggap teuing...,” ceuk Kang Mamat sanggeus reureuh tina seuri. “Éta atuh da mani ku keukeuh-keukeuh teuing berenyit téh, sakitu geus dije- laskeun yén kuring mah geus teu boga lembur, teu boga baraya. Aya ogé baraya da di ditu, di Sumatra, teuing di mana di Sumatrana ogé....” Kang Mamat unggut- unggutan, gek diuk gigireun indungna Enduy, “Nya lamun Si Enduy hayang mudik mah, kumaha lamun urang ka lembur akang baé. Kieu-kieu gé akan téh boga kénéh kolot. Atuh baraya aya hiji-dua baé mah. Sakalian urang tetep-tumetep di lem- bur wé, tibatan cicing di dieu kadungsang-dungsang. Akan deuk diajar deui tani. Si Enduy kapan sakeudeung deui gé kudu disakolakeun meureun. Uang sakolakeun di lembur baé....” Indungna Enduy tungkul, neuteup tungtung bajuna. Taya sora nu kaluar tina bi- wirna.... “Ceuk akang mah....” Kang Mamat neruskeun deui omonganana, “Éha teu bisa salalawasna nungguan Kang Ujang. Boa aya kénéh diki- euna boa henteu Kang Ujang téh. Dina aya kénéh dikieuna ogé boa di mana ayana, ka- ngaranan geus mangtaun- taun téa atuh.... Ayeuna mah geus mangsana Éha mikir ka hareup. Mikiran masa depan Éha jeung Si Enduy...,” nye- lang heula ngarénghap Kang Mamat téh, “Kumaha, Éha, daék milu ka lembur Akang?” Indungna Enduy unggeuk lalaunan, laju nyusutan cimata ku tungtung bajuna.... “Nya sukur atuh ari Éha geus daék mah.... Engké pabeubeurang urang balanja keur bawaeun ka lembur. Tah isuk, isuk-isuk pisan, urang ka lembur téh, muru karéta pangisukna.” “Geus tong ceurik baé, Enduy! Isukan urang mudik tumpak karéta api!” ceuk Kang Mamat deui. “Nyaan?” Enduy curing- hak. “Enya.” “Asiiik.” “Jung ayeuna geura jajan ka ditu!” Kang Mamat nga- songkeun duit rébuan dua lambar ka Enduy. Ngan saki- lat duit téh geus pindah kana leungeun Enduy. Sanggeus Enduy ka luar, golédag Kang Mamat ngagolédagkeun sirahna kana lahunan Indungna Enduy. “Yéy...! Nanaonan Kang Mamat...,téréh imsak kapan ieu téh!” “Baé wé da can adan ieuh....” Ti luar kapireng sora Enduy kakawihan: “Naik keréta api tut tut tut Siapa mau ikut Ke Bandung Surabaya....” ***
  24. 24. 24 Manglé 2438 P euting ka janarinakeun di astana Bulak Lega. Réhé combrék. Angin tiis ngahiliwir nembus kulit parat kana sungsum balung, bulu punduk ting puringkak, awak ngadégdég kabulusan. Sakuri- ling bungking poék mongkléng, tatangkalan tingbelegbeg hi- deung matak keueung, sakape- ung hawar–hawar sora anjing babaung ti béh anggang, sit un- cuing disada dina tangkal kiara nambah kakeueung. Tempatna haraharaeun, lain sabaeun jalma borangan. Tong boro ti peuting, dalah beurang ogé tempatna anu harieum ca- neom matak keueung, malah kabéjakeun di palebah tangkal rangru nu ngarampidak sisi jalan, cenah sok aya anu gagayabagan bodas, sakapeung nyikikik cicirihilan nyingsieun- an anu liwat, antukna lamun reup peuting tara aya anu wanieun ngulampreng liwat ka palebah dinya. Peuting beuki nyecep tiis, halimun turun mungkus peu- ting anu jempling, tetempoan beuki heureut, rarasaan beuki rus–ras kagagas, sagala barobéda pikir, kasangsaraan hirup anu panjang, kasusah hirup anu lir taya tungtungna, pabaliut dina juru panon narémbongan. Hirup lir dibulen tarucing, rarasaan teu puguh kamana eunteupna, jiwa mangprung kumambang kabawa panglamunan. Geus kumpul deui panga- cian, gék sila andekak gigireun tutunggul, sarung dibeulitkeun kana beuheung, bisi kakotoran jang sholat. Gerencem baba- caan ngadu’akeun bapa nu tos aya di alam baka, peupeuri- heun keur jenengna kénéh di dunya teu kapareng bisa mu- lang tarima, nya da puguh hirup katalangsara, boro bisa méré indung bapa, keur nyum- ponan beuteung sorangan ogé lolobana mah puasa nahan lapar, ayeuna bapa geus kari tutunggul, ngan cara kieu anu bisa dijalankeun, susuganan baé ari mindeng di dungakeun mah, arwah nu jadi bapa teh kenging rohmat pangampura ti gusti anu Maha Kawasa. Kakara bérés do’a, keur ngusap beungeut gé can anggeus, ujug–ujug, gayabag ... gayabag ... jegug ... luhureun sirah aya anu gagayabagan, jaba disada jugag-jegug teuing nanahaon tah, ngarenjag kagét liwat saking, bulu punduk tingpuringkak... prak tanggah... teu aya nanaon, luak-lieuk... rarat–rérét ... dapuguh poék teu katingal nanaon, jempling deui réhé deui, ibun beuki ngandelan hawa beuki nirisan. Kuniang hudang..., jung nang- tung, bismillah rék neruskeun lalampahan, geus meujeuhna sholat tahajud. Karek ogé ngangkat suku rék ngaléngkah, beulah kidul sada aya anu humarurung ménta tu- lung, sada sora awéwé, halon naker, lah ririwa..., atawa dédéngéan meureun piraku aya jalma wayah kiwari di kuburan, ngaléngkah rék neruskeun lam- pah tampolan mah, tapi aya deui sora anu tadi ménta tu- lung, sorana tarik ayeuna mah. “Tuluuung..., tuluuuung..., hiii.... hiii...”, ditungtungan ku seuri ngajérélé, ngahihih sada kunti. Panasaran ditempoan deui..., bréh... dina handapeun tangkal nu hieum, aya anu kokoléaban... bodas, camuk- muk nangtung sagedé jalma, disampeurkeun dideukeutan ngarah jelas, hayang apal kana rupana, kumawani nyingsieu- nan kawas nu teu apal baé. “Tuuluuung, tulung..., tulun- gan abdi Kang...” “Saha andika..., kumawani ngajungjurigan kula kawas nu teu apal baé, kula mah tara sieun ku jurig, nyaho!” Rada kasar nanya téh bakat ku keuheul. “Duh ampun paralun Kang..., abdi teu kumawantun seja nyingsieunan salira akang...”, lemes nyaritana téh aya ku anéh, dibarung ngeluk tungkul siga nu ceurik, ram- butna anu ngarumbay panjang sabagian nutupan kana tak- takna, ririakan ka anginkeun. “Tulungan abdi Kang..., tos puluhan taun kumambang hirup di alam marakayangan, siksaan demi siksaan terus ngudag–ngudag diri, abdi teu kiat ku lami nandang panyiksa anu rohaka, abdi hoyong leupas tina kaayaan anu karandapan saperti ayeuna, teu daya teu walakaya, teu bisa leupas tina siksa anu terus–terusan nyasaak diri.” “Beu... deudeuh teuing Nyai... saha atuh anjeun téh? Naha tos sabaraha lami anjeun hirup di alam marakayangan?” Ngahelas ogé ngabandungan caritana, jadi panasaran hayang apal kana lalakon di- rina. “Nami abdi... Suharti, abdi maot dijaman gorombolan... layon abdi di kubur di tengah Kuntilanak Adang S. Argayuda
  25. 25. Manglé 2438 25 leuweung.” Luk tungkul... alum dumareuda... kaén bodasna ngageleber ka anginkeun, se- lengseng bau rampé nebak tungtung irung. “Di jaman gorombolan... saumur jeung hirup akang atuh, naha maké dikubur di leuweung pédah naon atuh?” “Abdi diculik, diperkosa... teras ditandasa... tulungan kang... abdi teu kiat nandang panyiksa anu rongkah.” Melas melis medar lalakon dirina, pikawatireun, hayang dipikarunya jigana mah. “Euleuh kutan kitu Nyai, sabaraha umur anjeun waktu harita...?” “Nuju yuswa dua puluh dala- pan taun Kang.” Dua puluh dalapan taun mah, keur sumedeng mangkak kembangan, jeung geulis jigana mah ieu awéwé téh keur di du- nyana mah, kaciri gurat be- ungeut anu ngadaun seureuh, alus tangtung, hadé wanda, awak lenjang, irung mancung, pipi konéng, panon cureuleuk hideung. “Ke, ieu téh beneran atawa anjeun keur ngaheureuyan?” Panasaran bisi ieu teh jurig nyi- liwuri anu ningkahan. “Duh... teu pisan–pisan seja kumawantun ngaheureuyan salira, abdi lumantung tinu jauh, kumalayang tinu anggang, seja nyusul–nyusul haréwos angin, ngawartosan cenah di ieu tempat, abdi baris tepung jeung jalmi anu bisa ngaleupaskeun diri abdi tina sagala panyiksa.” Dumareuda ngabéjér béaskeun pamaksudananna. “Tos tepung sareng anu dipi- lari téh, Nyai?” “Tos lami abdi aya di dieu, unggal wengi abdi ningali hiji jalmi anu sok nyumpingan kuburan sepuhna, ceuk haré- wos, cenah anu baris nulungan abdi téh hiji jalmi anu sok nyumpingan astana sanés mangsa, jalmina teuneung taya kasieun, tapi salami ieu sim abdi teu walakaya, teu tiasa némbongkeun diri ka salira, nembé ayeuna jirim téh tiasa atra katingali ku salira.” “Ke... naon hubungana an- tara haréwos angin jeung diri Akang?” “Duh... pan salira Akang anu dipilari ku diri abdi, mung salira anu tiasa ngabébaskeun diri abdi.” “Jadi Nyai tos lami nya... aya di dieu?” “Muhun... lami Kang.” “Jadi anjeun atuh anu kabé- jakeun sok ngajungjurigan, gagayabagan dina tangkal ran- gru nyingsieuna anu ngaliwat téh?” “Rumaos... Kang.” “Naha atuh rék ménta tulung kalah nyieun ulah, pédah naon atuh?” “Iseng éta mah Kang, resep ngaheureuyan jalma–jalma héngkér borangan, ting kocéak, tinggorowok, alawah-eu- leuweuh kawas anu owah, ongkohan mung ku jalan kitu abdi tiasa reureuh tina pa- nyiksa, janten abdi mendak ka- suka kabungah.” “Ke... Nyai... titadi anjeun nyebut baé panyiksa... panyiksa modél kumaha atuh?” “Duh Kang... unggal wengi abdi teu weléh diudag–udag pa- nyiksa nu teu aya reureuhna, aya hiji barang kawas tongkat beusi, ujungna burahay beureum kawas meunang meuleum, éta tongkat nojosan kana sakur liliangan anu aya dina badan abdi, teu eureun– eureun... nyeri ..., panas jeung peurih nu taya hinggana. Tu- lungan Kang... abdi sakapeung ngarasula, aya pikir hayang balik deui ka alam dunya, tapi pan waruga tos sirna, nurutan ngiring jeung batur muru tem- pat anu tos diatur, teu walakaya, unggal rék lebet ka éta tempat, awak téh neumrag hahalang anu rongkah, antukna mental deui ka alam marakayangan.” “Deudeuh teuing... tapi pan ceuk katerangan anu kapendak ku akang dina Al–Qur’an, mun disundakeun mah kieu, sing saha jalma anu nyieun ka- hadéan ka jalma anu lian, maka éta jalma bakal diganjar jeung dimulyakeun ku kahadéannana, tapi sing saha jalma anu nyieun kajahatan ka jalma anu lian, maka éta jalma bakal dihukum jeung dicilakakeun ku kaja- hatannana.” “Leres... kahartos Kang....”. “Dumasar kana éta kateran- gan, Akang rék tumanya, tapi ménta jawaban anu jujur!” “Mangga Kang, badé tumaros naon?” “Waktu keur hirup di dunya, ari anjeun jalma modél kumaha?” “Tobaaat... duh... ampun Kang, rumaos abdi téh jalma doraka, hirup mamprung nutur–nutur napsu nu ngaberung, tunggul dirarud catang dirumpak, rucah... awuntah... poho kana ibadah, sagala paharaman dijalankeun, dudukun... sagala pamaké dite- rapkeun, kasuka diumbar teu dihiding... kaduhung abdi téh Kang.” “Beu, paingan teuing atuh Nyai... kapan ceuk katerangan cenah sakumaha gedéna dosa anu dilakukeun ku manusa, langkung ageung kénéh rohmat ampunan Gusti Alloh, naha Nyai teu kungsi tobat?” “Teu kabujeng Kang, ari sugan hirup di dunya téh bakal lila, ari sugan moal ngalaman tunggara siga ayeuna, reueus ku pangalem deungeun, majar abdi téh wanoja lenjang, alus rupa hadé wanda, geulis lain pupulasan, éstu geulis bawa ngajadi. Nu bogoheun paboro– boro, nu hayang paheula– heula, teu pilih–pilih lalaki, asal suka asal senang, asal gedé pamahugina, dilayanan, diay- onan, sadaya karesep dianteur karep.” “Euh... kalangsu anjeun mah Nyai.” “Muhun... rumaos kang, tapi wayahna abdi tulungan.” Melas–melis pikawatireun, ménta di tulungan, hayangeun bébas tur bisa mulang ka alam anu sampurna, siga arwah batur. “Insya Alloh, tapi anjeun kudu pasrah.” Dijawab bari unggeuk, méré pangharepan, jadi kawajiban salaku mukmin pikeun nulungan anu keur manggih tunggara, geus kuduna ditepungkeun ku anu ngatur bumi langit, pédah dina diri aya sampakna. “Sumangga, abdi sumerah Kang.” Nyaritana daria naker, taya tanda–tanda jiga jurig nyi- liwuri, nu katingali téh jirim anu keur sumerah pasrah. “Sok atuh beresan tah ram- but anu awut–awutan, katukangkeun.” Rambutna disisir ku ramo, dibereskeun ka tukangkeun, panjang, jaba kandel hideung, nuruban tonggongna. “Bissmillah, hassbunnalloh wannimal wakill, nimam maulla waniman nassirr, la- haulla walla quwatta illa bil- lah...” ngagerendeng babacaan manjatkeun puji ka Gusti Alloh. Ceg, rambut gimbal panjang téh dikeupeul pageuh, terus di- centok, diuleng sataker kebek bari babacaan, “Massya allohu khodirrunn abbadan abbada...” “Tobaaat... ampuuun...” kocéak dengék, ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat, rumpuyuk éta jirim téh ambruk kana lemah. Teu daya teu walakaya, sot ram- butna dileupaskeun, wusss... jirim tadi robah jadi haseup bodas. Les... éta haseup téh sirna ka anginkeun. Peuting réhé deui, jempling deui, tapi hawar–hawar ti kaanggangan aya sora meulah simpena peu- ting. “Wilujeng kantun Kang... hatur nuhun...” “Allhamdullillah... jung di ja- japkeun ku pangdu’a, muga an- jeun kenging pangampura...” Peuting beuki simpé, rét ka awang–awang, langit nu tadi reueuk angkeub kahalangan méga hideung, ayeuna geus cangra deui, béntang ting kariceup baranang, bulan nu kari sapasi ngagelenyu imut, kawas anu surti. Suku diléngkahkeun rék neruskeun lalampahan, ngalieuk heula ka palebah tadi urut haseup ngiles, bet jiga aya anu ngolenyay semu konéng, panasaran balik deui diilikan, bréh aya anu konéng sagedé jarum, di cokot di teges– teges, beu geuning susuk emas, ieu jigana mah anu terus–teru- san ngudag–ngudag arwah tadi téh. Ngoréhkeun taneuh saeu- tik, terus éta susuk téh dikuburkeun di éta tempat. Tuturubun ka lebakkeun, terus meuntas walungan Ciban- tar, hanjat ka darat seseleket mapay–mapay galeng sawah nu paréna keur sumedeng bareukah, teu lila anjog ka tajug nu aya di tengah pasawahan luhureun balong, ucul–ucul, ge- brus mandi ngerelepkeun manéh kana cai balong nu hérang ngagenclang, gado noroktok awak ngahodhod ka- bulusan bakat ku tiris, beres wudu, cat hanjat ka tajug nu aya di luhur balong. Tiis tingtrim, haté sumelende, teu aya ge- uneuk maleukmeuk, balung- bang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan. Kiceup jeung renghap, jantung jeung endagna, diri jeung tang- tungannana, sumerah pas- rah.*** Désa Patakaharja - Rancah, Ciamis
  26. 26. 26 Manglé 2438 J elegur sora bom dina tivi. Lenyap haté ngalenyap. Asa urug angen. Awak ngadadak tingsariak. Gambar dina tivi beuki kerep waé némbong- keun tingbelesatna rudal Is- rael anu ditujukeun ka Jalur Gaza. Diselang ku sora ré- porter geulis nyaritakeun kajadian anu keur lumang- sung di Timur Tengah an- tara Israel jeung Palestina. Tapi palias teu kaharti sakecap-kecap acan. Atuda réporter geulis téh nyaritana ku basa Arab. Najan hatam Qur’an ti leuleutik malah geus teu kaitung sabaraha balikan, tapi kana hartina mah palias teu mantra- mantra acan. Ari lain Al- Fatihah jeung susuratan dina Juz Amma mah. Kitu ogé ngan sawaréh, teu apal kabéh. Sok ngahaja lalajo téh dina chanel Al-Jazeera. Lain ku ngarti, ngan lantaran kuring yakin beritana ngeu- naan kajadian anu lumang- sung di Jalur Gaza leuwih up-date batan di tivi na- sional. Ngan nya kitu, ukur bisa nempoan gambarna wungkul, kana eusi beritana mah palias. Tapi kétah da bisa dibabadé, dipapantes jeung gambar nu keur di- tayangkeun. Nu sidik, haté teu weléh lelenyapan. Unggal jelegur bom, jajantung asa didudut. Pikiran ngalayang ka jauhna, ka Kang Faridz, nu ayeuna keur aya dina puncerna sasaran bom Is- rael di jalur Gaza. “Akang teu tiasa ukur nangkeup harigu bari lalajo dulur urang di Palestina dibasmi ku bangsa biadab. Asa éra paradah, ari Akang di dieu unggal poé ngan nge- dukan duit ti pasén, ari ba- baturan Akang nu sanésna di ditu dihujanan bom,” ceuk Kang Faridz sataun ka tukang. “Maksad Akang?” panon mencrong manéhna, nepi ka poho ngiceup. “Akang badé ngiring dap- tar janten rélawan MER-C. Akang hayang ngabaktikeun élmu Akang ka dulur-dulur muslim anu ayeuna keur katideresa. MER-C nuju ngadamel rumah sakit In- donésia di Palestina, tangtu ngabutuhkeun rélawan nu leuwih loba,” pokna tatag. Piomongeun ngadadak ngiles tina tikoro. Jadi rélawan? Ka Paléstina? Ninggalkeun kuring jeung budak nu kakara umur dua taun? Gustiiiii....... “Wayahna Eulis kedah rido. Sanubari Akang teu tingtrim lamun ukur lalajo bari jeung teu aya hojah pisan. Kamari Kang Ilyas tos nelepon deui naroskeun kasadiaan Akang,” pokna deui bari melong anteb pisan. Pasti nu dimaksud Kang Ilyas téh dr. Ilyasa Pratama, ahli bedah nu geus moyan, babaturan gawéna di rumah sakit swasta panggedéna di Bandung. dr. Ilyas mah geus indit ti heula. Pagawéan jeung klinik pribadina diting- galkeun. Cenah diurus ku adina nu sarua dokter. Kuring masih ngabigeu hareugeueun. Lain teu nyangka, da ti keur maha- siswa kénéh ogé Kang Faridz mah aktivis kampus nu sok tandang pangha- reupna mun aya démo atawa protés-protés keur ngabéla kapentingan umum. Rasa “kepedulian sosial” jeung tanggung- jawabna gedé pisan. Meu- jeuhna, da jabatanana salaku presiden BEM, meredih aktivitas anu total ti Kang faridz. Tapi pan éta mah keur mahasiswa, hirupna masih bébas, dibia- yaan ku kolot sarta skup ak- tivitasna masih ukur sa kuliah Indonesia. Paling jauh jadi rélawan ka Ambon. Tapi ayeuna? Sabada boga tanggung jawab anak pamajikan, nya sipatna kuring jeung budak nu kakara sasiki, rék miang ka Paléstina? “”Akang percaya Eulis mampuh ngokolakeun klinik anu urang. Moal ripuh teuing da ayeuna mah pan menejmenna tos jalan. Akang terang Eulis téh dok- ter anu pinter, anu sahaté tur satujuan jeung Akang dina konsép ngamalkeun élmu anu ku urang dipimi- lik. Akang yakin, Eulis ngar- tos kana naon anu marudah dina haté Akang ayeuna. Dalah mun urang can gaduh turunan mah, Akang yakin Eulis tangtu palay ngiring sareng Akang, bajoang di Paléstina ngabélaan dulur urang sasama muslim di ditu,” sora Kang Faridz hawar-hawar nembus batas kasadaran kuring. Asa taya gunana nyarita. Kuring apal pisan kana pasi- patan jeung tujuan hirup Kang Faridz. Mun manéhna geus yakin kana hiji putu- san, nu salawasan éta putu- san téh mihak kana bebene ran jeung kayakinan hirupna, moal aya nu bisa mondah. Éta sababna ku- ring bisa jadi kabogohna salila tilu taun basa jadi ma- Carpon Risnawati

×