Mitra Sunda WA - Mangle 2436
Upcoming SlideShare
Loading in...5
×
 

Mitra Sunda WA - Mangle 2436

on

  • 5,438 views

Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Mitra Sunda WA - Mangle 2436

Statistics

Views

Total Views
5,438
Views on SlideShare
5,438
Embed Views
0

Actions

Likes
0
Downloads
16
Comments
1

0 Embeds 0

No embeds

Accessibility

Upload Details

Uploaded via as Adobe PDF

Usage Rights

© All Rights Reserved

Report content

Flagged as inappropriate Flag as inappropriate
Flag as inappropriate

Select your reason for flagging this presentation as inappropriate.

Cancel
  • Full Name Full Name Comment goes here.
    Are you sure you want to
    Your message goes here
    Processing…
  • Pami tiasa, Mangle teu kedah diupdate. Htr nhn ka wargi mitra Sunda WA. Pami bade langganan Pdf, tiasa langsung ka admin di www.mangle-online.com atanapi ka fb. rudi h tarmidzi, majalah sunda mangle.
    Are you sure you want to
    Your message goes here
    Processing…
Post Comment
Edit your comment

Mitra Sunda WA - Mangle 2436 Mitra Sunda WA - Mangle 2436 Document Transcript

  • S urupna panon poé dina wanci magrib kamari, jadi cicirén réngséna ibadah saum urang salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sa- bulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung tarawéh sarta ibadah–ibadah Romadon jigana ku urang sadaya geus di- laksanakeun. Ayeuna urang sadaya mulang deui kana fit- rah, kasucian. Poé ieu ogé waktuna urang sadaya suka bungah. Bungah lain lantaran loba dahareun atawa maké pakéan sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran geus tamat ngalaksanakeun paréntah Alloh nyaéta ibadah saum Romadon. Sok sanaos saum dilaksanakeun ku urang ngan sa- bulan nu lamina 29 atawa 30 poé, tapi buah sareng mangpa’atna mah mugi tiasa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Alloh swt. ngawajibkeun saum ka jalma – jalma anu ariman sangkan salawasna jadi jalma anu takwa. Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Laa Ilaha Ilalloh Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu. Mitra Manglé Sadaya, ‘Idul fitri, nu hartosna baralik deui kana asal kasucian fitrahna, kantenan deuih kedah ngabersihkeun diri ku cara silih hampura, silih lubarkeun dosa. Numawi kitu, dina waktos anu mulya ieu, hususna ka para wargi pamaos Manglé, umumna mah ka sadaya urang Sunda, sok sanaos langka pataréma panangan, lantaran mung dina seratan wungkul, Sakumna Ais Pangampih Manglé neda hapunten tina samudaya kalepatan lahir tumekaning batin, Lan- taran, rumaos pisan, sering nepangan téh dina kaayaan ki- rang utami, malihan sakapeung mah tos langkung ti langkung lepatna. Para Mitra Manglé, bari hatur wilujeng Boboran Siam 1434 H, sanés kupat sareng opor hayam, namung étang- étang kanggo nambihan ma’murna lebaran sareng ngawedelan kayakinan, mangga dina édisi Manglé Lebaran, kasanggakeun aosan Hutbah ‘Idul Fitri kénging Dr. H. Isep Zaenal Arifin, M.Ag., Dosen Fakultas Dakwah UIN SGD Bandung. Mudah-mudahan ageung mangpaat- na. *** Takbir, Tahmid, Tahlil Saruka Bungah, Marulang Deui Kana Fitrah 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 ISSN: 0852-8217 ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022- 7309720 E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com - facebook: Majalah Sunda Mangle PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib- rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE- TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU- MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
  • Zakat H iji urusan anu sok dipen- tingkeun dina mangsana lebaran téh zakat, boh zakat mal boh zakat panghasilan. Geus puguheun ari zakat fitrah mah. Zakat téh kaasup salasahiji uru- san penting pikeun umat Islam lan- taran kaasup kana rukun iman anu lima. Dina apal-apalan sapopoé ayana dina nomer tilu. Malah umumna sapamadegan yén zakat téh sakantét jeung salat. Aya ayat- ayat Alquran anu nétélakeun ngan- tétna kecap salat jeung zakat. Papadaning kitu, béda jeung salat anu geus jalan dina kahirupan sapopoé, zakat mah aya bédana. Lantaran patalina jeung rajakaya atawa panghasilan, zakat mah itung- itunganana henteu gampang lan- taran kudu puguh nisabna, kaasup waktuna. Dina basa anu populér zakat téh dikurupkeunana kana meresihan harta. Harta anu kapimilik ku urang perlu dikaluarkeun zakatna supaya beresih. Nu dimaksud beresih di dinya patalina jeung kamaslahatan jeung barokah. Atuh ka dituna apan nyambung jadi amal-amalan anu ganjaranana bisa disampeur engké di ahérat. Cindekna zakat téh lain perkara joré-joré. Éta sababna anu matak aya pirang-pirang lembaga anu ngahususkeun ngurus zakat. Di sagigireun anu dikokolakeun ku pamaréntah (kayaning BAZIS) aya ogé anu diurus ku swasta. Lain ngan ukur kaahératan baé anu bakal kahontal ku zakat téh, dina urusan kamasarakatan gé mangpaatna teu kurang-kurang. Anu saderhanana baé, zakat bisa di- paké cukang lantaran pikeun ngaronjatkeun kahirupan umat anu walurat. Tapi lebah dieu gé anu babari téh nyaritana, da dina prakna mah banggana luar biasa. Nurutkeun katerangan ti salasahiji lembaga anu ngahusukeun kana ngurus zakat, cenah zakat anu katarima ku lembagana téh rata-rata Rp 170 milyar per taun. Tétéla lain leutik-leutik. Komo deui anu katarima ku BAZIS anu sipatna nasional. Mangkaning éta téh mayeng unggal taun. Jadi pantesna, umat Islam di urang téh geus sare- nang hirupna. Puguh di dinya pisan masalah utamana téh. Asa tacan aya lembaga zakat, boh BAZIS boh anu parti- kulirna, anu unggal taun bisa mayeng ngabéwarakeun yén di désa anu, nu tadina warga nu miskinna aya saanu taun ieu mah geus ngura- ngan saparona. Tina hasil zakat téa alhamdulillah anu taun tukang masih kénéh narima zakat téh taun ieu mah geus bisa mayar zakat. Éta téh cita-cita idéal saréréa. Hayangna mah kitu. Kahayangna mah, ulah aya saurang gé umat Islam anu baramaén. Ulah aya hiji gé kaom muslimin anu hirupna ngaligeuh teu boga panghasilan. Cenah dina ngokolakeunana zakat anu di urang masih kénéh tacan optimal téh. Ari dikeureuyeuh mah éta gé da terus-terusan. Éra gé kadieunakeun mah geus aya kamajuanana. Upamana baé zakat anu dimangpaatkeun pikeun méré béasiswa ka siswa-siswa anu palinter tapi ékonomina teu mampuh. Nu di- pakéna kitu mah tangtu bakal man- jang mangpaatna. Ka hareup mah meureun moal aya deui anu wani nuding pajar kaom muslimin téh loba kéneh anu bodona nepi ka salawasana tinggaleun jaman. Lain hartina kudu saturut-turutna tang- tuna gé. Apan naon-naon anu di- taratas ku para ajengan di urang téh nya ka dinya losna. Nepakeun élmu supaya ulah dipinteran batur. Kitu deui dina urusan ékonomi. Lamun disebutkeun pajar urang Garut téh kaasup anu pangmiskinna di Jawa Barat, apan éta téh togmolna ka kaom muslimin deui. Tangtuna henteu ngan semet kitu dibacana, da lamun diantep ka dituna bakal leuwih gedé mamalana. Leuwih jauhna ti dinya asa pantes pisan lamun tina ayana zakat téa kaom muslimin di urang bakal jugala dina urusan ékonomina. Nga- mangpaatkeun zakat pikeun usaha upamana apan bakal jauh bédana jeung lamun modalna kudu dirénte- nan. Ceuk ustad, moal samata-mata diwajibkeun mayar zakat téh lamun henteu gedé mangpaatna. Beuki dieu beuki katémbong kaihlasan pikeun mayar zakat geus beuki kuat. Éra téh hiji kapercayaan. Tapi ka di- tuna tangtu bakal jadi amanat, babakuna dina urusan ngokolakeun- ana. Meungpeung anu malayar za- katna masih kénéh neundeun kapercayaan. Da cacak lamun kapercayaanana geus luntur mah, pisakumahaeun teuing pikanyerieu- nana. AM Manglé 2436 3
  • 4 Manglé 2436 View slide
  • Manglé 2436 5 View slide
  • R eueus kabina-bina! Kagiatan kaagamaan dina bulan puasa mah ceuyah naker. Dawah gé kitu, boh bil lisan, boh da’wah bil mal, nyampak saban waktu jeung tempat. Geus puguh ari unggal tivi mah, dalah di tempat séjén gé teu kurang-kurang. “Saé kacida upami ninggang dina sasih Romadon mah. Ngan hanjakal, pami réngsé sasih Romadon, pangpangna di kota, sok cul dogdog tinggal igel. Ieu rupina peryogi perhatosan saban pihak sangkan sumanget da’wah téh hen- teu saharitaeun,” cek Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag. waktu ngobrol rinéh dikantorna di kampus UIN SGD Bandung. Kagiatan da’wah mémang teu weléh jadi panalinga jeung kabutuh masarakat. Lantaran, da’wah téh teu béda jeung tugas sapopoé saban manusa atawa pamingpin dina saban tempat jeung posisi. “Unggal dinten saleresna urang da’wah, unggal pamingpin,pamaréntah,sadayanada’wah, nepikeun kahadéan, geusan ningkatkeun karaharjaan nu leuwih mangpaat. Ngan carana nu béda,” cek ieu Profesor nu sababaraha taun mancén di Majlis Fatwa MUI Jawa Barat téh. Ku kituna, ambahan da’wah mah lega kacida. Ngan, tangtu wé ngalaksanakeun da’wah téh, cenah, kudu adumanis dina opat wangun kagiatan. Tah, naon téa? Kahiji, ceuk Prof. Asep, kagiatan tablég. Kadua,kagiatanirsyad,sapertipanyuluhan jeung bimbingan Islam. Katilu, tadbir, saperti manajemen sarta ngadegkeun sarana lembaga-lembaga da’wah. Kaopat, kagiatan tathwir, nu leuwih neueul kana widang ékonomi kaumatan. “Lantaran ranggeuman da’wah mah kacida legana, teu cekap ku kagiatan tablég wungkul. Ku kituna, peran pamaréntah penting pisan, utamina dina nangtoskeun ‘pemetaan’ wilayahda’wahsareng obyékda’wah sanésna,” cek ieu doktor wedalan IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta teh témbrés naker. Nilik pentingna da’wah, hartina, éta kagiatan téh perlu pangrojong balaréa. Ku kituna, pamarén- tah perlu ngabebenah deui pola jeung nangtukeun wilayah da’wahna. “Kalebet nagtoskeun kagiatan da’wah di jajaran strukturalpamaréntah,supados leres-leres da’wah janten pangabutuh unggal waktu,” cek ieu carogé Dra. Hj. Akah Kahmaeni, M.Ag. téh. Tablég Lain Hiburan Bentuk tablég dina kamekaran da’wah mémang leuwih penting. Lantaran, cek ieu Guru Besar UIN SGD ogé, geus jadi pangabutuh balaréa nu leuwih pragmatis. Ku kituna, para mubalég ogé sok jadi tinimbangan boh soal élmuna, tempat diajarna, dedeganana, ogé nu penting sabaraha keur ongkosna. “Saleresna wajar, upami masarakat milih-milih mubalég. Ngan lepat upami urusan ongkos janten ukuran pilihan umat. Ieu rupina nu kedah dirobah deui. Lantaran da’wah mah geus jadi kawajiban,“ cek Prof. Asep tandes. Tablég mémang rupa-rupa deuih. Kitu téh, lantaran unggal mubalég ogé ngahaja némbongkeun ciri mandiri nu béda ti nu séjénna. Petana kitu, di antarana sangkan ngirut balaréa. Ngan, naha nu kawas kitu téh penting? Cek ieu Dekan Da’wah jeung Komunikasi UIN SGD mah, nu hayang da’wah teu kabéh bisa disebut mubalég. “Saratmubalégmah,saleresnaabotkacida. Lian ti nu tafaqquh fiddin, nu paham kana agama, mampuh nepikeunana, ogé nu saé ahlakna, leres-leres jadi picontoeun,” pokna. Ku kituna, cék cenah, palebah mubalég, mémang aya nu pikareueuseun aya ogé nu pikahariwangeun. Nu matak reueus, tangtu nu paham kana agama. Ari nu paham agama, tangtu loba élmu agama nuditepikanana.Sabalikna,numatakhari- wang mah, maksud dawahna éléh ku hiburanana, éléh ku bobodoranana, lir paribasaculdogdogtinggaligel!Pangaruh- naatawaélmunamahteunyerep,kawascai dina daun taleus, teu mampuh dijadikeun tatapakanbekelhirupmustamina.“Rupina istilahmubalégtéhkiyai,tiasadijantenkeun dadasar deui, yén mubalég kedah saé ahlakna ogé luhung élmuna,” pokna. Nu paham agama, tangtu loba. Ngan deui-deui dina da’wah mah kudu mampuh nepikeun ku cara nu hadé. Tah, palebah saha nu nepikeun jeung kudu ka mana nepikeunana? Cek ieu paniten da’wah, mé- mang perlu dihangkeutkeun deui tur perlu kawijakan pamaréntah. Contona waé, kumaha carana sangkan mubalég nu kawéntar tur paham agama, tiasa da’wah ka saban daérah. Ieu penting, lantaran ki- warimahdidaérah ogégeuskarasapanga- ruh globalisasi téh. Atuh da’wah téh perlu mubalég nu bisa ngigelanana. “Patarosanana, naha para mubalég kondang, wantun dibayar haratis ka daérah nu rawan akidah? Rupina, di dieu pent- ingna peran pama- réntahngalangkungan Departemen Agama. Sanaos éta ogé aya patugas Peneran- gan Agama Islam, tapi Dina bulan Romadon, kagiatan da’wah téh pikareueuseun. Ngan hanjakalna, réngsé Romadon mah, kagiatan kitu, lir paribasa, cul dogdog tinggel igel. Naon sababna pangna kitu? Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag., Dekan Fakultas Dakwah & Komunikasi UIN SGD Bandung, nepikeun pamanggihna. *** Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.; Kagiatan Da’wah Antara Ngigelan Jaman jeung Tinggal Igel 6 Manglé 2436
  • tarékah da’wah modél kitu saé kacida,” saur Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag. daria pisan. Upama ieu Profesor apal pisan kana kamekaran da’wah,da mémang icikibung- na gé dina widang da’wah. Saban waktu, boh dina seminar boh dina diskusi, nalungtik da’wah nu leuwih ngindung ka waktumibapakajaman.Sapertinawaé,ieu alumnus pasantrén Cintawana Tasik- malaya, teu weléh niténan da’wah di pakotaan jeung di padésaan. Kamekaran Da’wah Sunda Nepikeun agama tangtu kudu apal ka mustamina, ka jalmi nu rék ditepikanana. Carana ogé, lian ti mentingkeun kamaslahatan keur tempat sabudeure- unana, ogé sangkan nambah élmu panga- weruhna. Kumaha ari da’wah di Jawa Barat? Pangpangna dina bentuk tablég mah, cek ieu teureuh Garut, kamekaran da’wah ulah jauh tina kultur budayana. Sapertina waé, dina cara nepikeunana, tangtu basa Sunda, tiasa dihangkeutkeun jadi basa da’wah. “Kantenan di tatar Sunda mah, kedah ku basa Sunda. Sanaos, upami téa mah masarakatna campur, urang Sunda ogé kedah nampi nganggo basa Indonésia. Namung intina kedah nganggo basa Sunda,” cek Prof. Asep jinek. Kamekaran da’wah Sunda mémang ki- wari lain bihari. Bihari mah, geus biasa para ajengan di saban pasantrén jeung sabantempat,ngajitéhatawangawurukka santrina téh ku basa Sunda. Kitu deui, loba pasantrén nu ogé nyunda-nyundakeun kitab konéng. Hutbah Sunda, pupujian ku basa Sunda, solawatan ku basa Sunda jeung sajabana. Kumaha kiwari? Cek Prof. Asep mémang da’wah dina basa Sunda perlukasadaranmasarakatna.Soksanajan, éta ogé loba kénéh para mubalig nu biasa nyelapkeun basa Sunda. “Perkawis tablég ku basa Sunda, kantenan penting kanggo urang mah. Ka para mubalég ulah ngaraos isin, kitu deui ka pamaréntah kedah langkung nyontoan,” pokna deui. Mekarkeun da’wah Sunda, mémang perlu pangrojong ti pamaréntah. Hartina cek Prof. Asep, reueusna masalah basa Sunda, henteu dina da’wah baé tapi ogé dina nepikeun pasualan séjénna. Contona, dina biantara boboran siam ka saban masjid ti bupati di Jawa Barat, kedahna maké basa daérahna. “Sapertos keur urang Garut, Tasik, Ciamis, Sumedang jeung sajabina, kantenan biantara bupati saéna nganggo basa Sunda. Sapertos di daérah Jawa, apan teu weléh sok ditepikeun dina basa Jawa,” cek ieu guru besar Islam méré sumanget. Adumanis Sakola jeung Pasan- trén Asep Muhyiddin lahir di Garut, 07 Juni 1957. Ieu putra H. Muhmudin sareng Hj. Siti Aminah, ti leuleutik diasuh dilingku- ngan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Asep mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Asep pengkuh agamana ogé luhung pangabisana, nu ahirna kudu junun. Ku kituna, waktu Asep sakola di SDN Pasirwaru Limbangan ogé, sepuhna mah teu weléh nalingakeun, pangpangna dina sual ngaji agama. Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil. Asep gé, sakola satu- luyna ditarima di PGA 4 taun bari nyiar élmu agama di pondok pasantren Pulosari Limbangan Garut. “Pun Bapa kalintang disiplin sareng teu weléh masihan papatah nu saé,” cek ieu bapa Fila Hikmaturraah- man, Syafwan Nugraha sareng Putri Nab- hani N. nineung ka mangsa keur budak. Asep beuki déwasa beuki buleud cita- cita. Lantaran meunang élmu adumanis sakola jeung pasantren, atuh nuluykeun gé ka SP IAIN Ciwaringin Cirebon, nu teu lila ogé pindah ka Fakultas Tarbiyah Paguron Islam di Cipasung Tasikmalaya taun 1976. Keur Asep di Cipasung cocog pisan, lan- taran bisa bari masantrén di pasantren Cintawana Tasikmalaya. Nyiar élmu nu béda tempat keur Asep mawa sumanget jeung karasa nambah élmu pangaweruhna. Ku kituna, waktu kuliah, taun 1981, Asep ogé pernah kuliah di Fakultas Ushuluddin Riyadhul Alfiyah SadangGarutmilihProgramSarjanaMuda. GeusréngsédiGarut,ahirnaAseppindahka Bandung, ngajar di Pondok Pasantren Al- JawamiBandung. AhirnadiBandung,Asep ngaréngsékeun sarjana lengkepna ti Juru- san Dakwah Fakultas Ushuluddin IAIN Bandung Tahun taun 1983. Di IAIN SGD Bandung (ayeuna mah UIN), singhoréng jadi tempat keur neruskeun karirna. Kaayaan kitu, H. Asep Muhyiddin ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt. Lantaran, satutas di Bandung beuki nambah élmu panga- weruh, beuki loba kawawuh, beuki loba lolongkrangkeurngamalkeunélmupanga- weruhna. Ngan nya kitu, sual élmu panga- weruh mah, keur Asep, beuki nambah téh, singhoréng asa beuki ngurangan. Ku kitu- na, saterusna mah miang ka Batawi, kuliah deui ka Program Magister (S2) Pasca- sarjana IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta, réngsé taun 1995. Atuh Program Doktor (S3) masih di Pascasarjana IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta. Makalangan di dunya kampus, Asep gé teu ujug-ujug. Ti mimiti nyaking pagawé administrasi, ngadosénan, ogé pernah nyangkingSekertarisJurusanTafsirHadits FakultasUshuluddin,nyangkingSekertaris Jurusan Aqidah Filsafat Ushuluddin, Pem- bantu Dekan III Fakultas Dakwah. Panga- laman kitu, ahirna Prof. Asep dipercaya mancénDekanFakultasDakwah &Komu- nikasi UIN SGD Bandung nepi ka kiwari. Nyangking di kampus, dian sual élmu mah, kudu karasa mangpaatna keur balaréa. Ku kituna, Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag. nu kiwari nganjrek di Cibiru Hilir Cileunyi téh, ogé loba aktif di sababaraha organisasi kaagamaan, saperti di MUI Jabar jeung nepikeun pamanggih- na dina saban seminar, boh lokal boh nasional. Sanajan sibuk ku kagiatan, tapi ieu pituin Sunda teu weléh tibelat ka lembur di Limbangan Garut. “Kantenan, émut baé ka lembur mah. Ku kituna, saban boboran siam, teu weléh tibelat. Nineung sareng hoyong pisan nepangan wargi-wargi di lembur,” pokna nutup obrolan. *** (RH) Manglé 2436 7 Kagiatan dawah butuh pangbebenah pamaréntah Sareng garwanaDa’wah kudu ngindung ka waktu mibapa ka jaman
  • Manglé 2436 M un nyaritakeun mudik, ku- ring mah sok jadi ras ka ba- baturan. Enya, éta mah ki sobat, saban rék nyanghareupan lebaran téh sok asa paciweuh pisan. Ti méméh tanggal lilikuran puasa gé, manéhna geus tatahar pikeun mulang ka lemburna. Beberengkes sagala dibawa, anu cenah keur oléh-oléh ka urang lembur. Salila ngumbara di kota anu geus aya welasna taun, manéhna tacan kungsi sakali wé teu mudik. Kajeun teuing keur teu pati séhat, atawa ukur boga bekel pas- pasan, pasti wé maksakeun mulang. Malah mudikna téh sok rada ti anggalna kénéh, bélaan bolos digawé. Kadang-kadang pisaminggueun deui ka lebaran gé geus mulang. “Sataun sakali mah kudu maksa- keun,” pokna. Kungsi basa taun tukang mah manéhna nanya bari dibarung heureuy, “Naon sasaruaan jeung bédana, antara peristiwa mudik jeung penggusuran?” Teu ieuh dijawab, da geus kajudi atuh, éta mah pertanyaan konyol. Mé- mang enya kontékstual, tapi geus teu kaasup heureuy atuh ngabanding- keun maranéhna anu mudik jeung anu digusur mah. Jelas, substansina gé béda pisan. “Yeuh, déngékeun geura,” pokna, sanggeus kuring teu ngabijilan omo- ngan. “Saruana téh lebah inditna. Heueuh, indit ti hiji tempat, ngajugjug ka tempat séjén. Sarua ngabringna gé deuih. Boh dina mudik boh dina penggusuran, sarua aya prosés indit,” pokna bari terus ngarandeg. Lantaran omonganana teu dituluykeun, kuring jadi panasaran. Anu matak gancang dipokkeun, “Ari bédana lebah mana?” “Bédana téh, ari anu mudik sok baralik deui. Enya, apan ari geus béak lebaran mah, tara terus cicing di lem- bur, da sok baralik deui ka kota, malah mindeng bari mawa dulur atawa baraya. Geus bisa dipastikeun, lamun tas usum mudik, dina geus baralikna deui téh, pangeusi kota jadi nambahan. Tah, ari maranéhna anu digusur mah, tara baralik deui ka tem- pat tadina matuh. Heueuh, rék bisa balik kumaha, apan lahanna ogé geus salin jinis jadi mall, pusat hiburan, atawa proyék pangwangunan séjénna anu didukung ku modal raksasa.” Kuring unggut-unggutan. Geu- ning ka dinya brasna si kunyang téh! Bréh kagambar dina pikiran, kumaha lumangsungna suasana penggusuran. Mindeng pisan rayat anu mertahan- keun lahan katut pamatuhanana kudu adu hareupan jeung patugas hukum, anu sakapeung sok timbul riributan. “Najan mudik jeung penggusuran téh jauh bédana, tapi aya hiji aksioma anu sarua. Boh anu ramé-ramé mudik boh anu digusur, pasti sarua pada- pada rayat leutik.” “Wah, cék saha? Anu sok mudik mah lain rayat leutik wungkul, da para gegedén jeung jalma baleunghar anu ngumbara di kota gé sarua waé,” omong kuring. “Heueuh, maksud uing mah anu mudikna téh ngaliwatan heula prosés perjuangan. Kudu daék ngalelentuk di hareupeun lokét karéta api atawa beus antar kota, kudu daék pajejel dina kandaraan umum, kudu ngawayahnakeun manéh mun katipu ku calo atawa ditekuk harga ku kondéktur, kudu daék ..., wah, pokona mah beurat perjuangan mun hayang mudik téh. Kitu apan anu kaalaman ku rayat leutik mah dina prosés mudik téh. Malah teu kurang-kurang, anu di perjalanan meunang musibat gé; naha tabrakan atawa mobilna nga- galéong ka jungkrang. Pék ku énté inget-inget, naha kungsi aya bupati, anggota parlemén, dirjén atawa menteri anu pasesedek milu ngantay karcis karéta api, atawa sapeupeuting ngalelentuk di terminal beus? Mana komo persidén atawa wakilna mah.” “Nya moal atuh, kuya! Apan aranjeunna mah kagungan kendaraan pribadi. Atawa mun mudikna hayang téréh tepi, nya kari ngagunakeun pe- sawat udara wé, malah sok dicarter,” walon kuring. “Mun teu kitu, dikawal ku purider anu maké héong-héong.” “Heueuh. Anu matak, hakékat tina dinamika mudik mah ayana ukur di lingkungan rayat leutik. Angka- ribungna babawaan, kurdas-kardus wadah oléh-oléh, luut-léétna késang, jeung budak léwéh mah ngan aya dina mudikna rayat leutik pantar urang- urang.” Kuring ngaheueuhan omongan- ana. Bréh kagambar suasana mudik di terminal, di setatsion, atawa di pal- abuan anu sok dipidangkeun mang- rupa laporan pandangan mata dina média massa. Enya, kabéh ogé éta téh bagian tina potrét kahirupan rayat. Mudik geus dianggap hiji peris- tiwa sakral. Najan sakumaha jauhna ngumbara, ari dina rék nincak lebaran mah kudu waé maksakeun mulang ka sarakan. Éta pangna anu mudik mah tara ngabalitungkeun héséna meu- 8 Mudik Ku: Tatang Sumarsono
  • Manglé 2436 9 nang kendaraan bari ongkosna ngadadak jadi mahal, atawa macétna lalu lintas salila di perjalanan. Anu penting: bisa nyelang heula balik ka lembur, kumpul jeung kolot katut dulur-baraya, jeung bisa nyekar ka kuburan karuhun. Kaalaman ku kuring sorangan suasana kawas kitu téh, najan rumasa waé tara unggal taun bisa mudik. Dina keur teu bisana mulang, kuring sok gancang tawakup ka kolot jeung ka dulur-dulur. “Mudik téh jadi hiji kabagjaan pikeun rayat leutik pantar urang mah,” pokna. Omongan manéhna, ku kuring di- heueuhan. “Urang anu salawasna hirup di kota, néangan sumber kahirupan di kota, jeung tangtu waé mindeng ngabeungbeuratan kota, ari dina poé lebaran mah kudu maksakeun mu- lang heula ka lembur. Atuh sakurang- kurangna pikeun mulangkeun panineungan ka jaman urang keur budak. Sukur-sukur mun di lembur bisa kénéh nyeuseup hawa seger kahirupan. Mun dipapandékeun kana batré mah, itung-itung disetrum deui, sanggeus urang kabuntang-banting dina galura kota,” pokna. Ti harita, pleng lila teu panggih- panggih. Ari kitu téa mah bubuhan sarua pada-pada riweuh ku urusan pagawéan. Anu matak, hésé néangan lolongkrangna mun rék silih anjangan téh. Teu kahaja, ari gok téh tepung di jalan pasampangan; jigana mah manéhna keur ngajak anakna ngabuburit. Rada héran kuring téh, duméh puasa geus nincak tanggal genep likur, tapi manéhna tacan mudik. Kuring onamanan sok milih pidua-poéeun deui ka lebaran, da lembur pangbalikan téh teu pati jauh. “Har, naha geuning tacan mudik?” kuring nanya, duméh manéhna masih kalana-kulunu kénéh di kota. “Moal, euy,” témbalna pondok. “Naha? Apan cék énté mudik téh bagian tina kabagjaan rayat leutik pantar urang-urang, apan mudik téh sakral, apan dina saban taun gé teu meunang diliwat, apan ....” “Heueuh, ari lebah dinyana mah uing gé moal robah pamadegan,” pokna, megat kalimah. “Naha atuh lain geura-geura mudik? Apan ayeuna geus tanggal genep likur.” “Uing mah moal bisa mudik ...,” ngarandeg heula, “masing tepi ka iraha waé ogé.” “Naha? Ku naon?” “Apan lembur uing mah geus eu- weuh, geus béak ku musibah alam. Kolot duanana maot, dulur gé nya kitu kénéh,” témbalna alon. Kuring ngan ukur bisa lila nga- huleng. “Énté iraha rék mudik?” manéhna nanya. “Insya Alloh, pagéto,” témbal téh. “Salamna wé nya ka anu araya di lembur. Uing mah rék lebaran di kota waé.” Kuring ukur némbalan ku unggeuk.*** (Nu nulis Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Universitas Pasun- dan)
  • 10 Manglé 2436 Bagian 167 Peuting ka-181 S yahrazad neruskeun dongéngna. Nyaritakeun lalakon Dahnasy nu tas sasabaan ka nagri manusa. “Nembe téh tas ti nagri nu kacida legana,” ceuk ieu jin lalakina téh muka carita. Di lebah nagri nu kacida legana, ceuk Dah- nasyi, dirina turun ka bumi. Terus leuleumpa- ngan ngadédéngekeun caritaan urang lembur. Apal wéh, horéng éta téh karajaan nu dipingpin ku jelema nu teu dipikare- sep rahayatna. Karajaan- ana mah beunghar kacida, malah raja téh boga istna nepi ka tujuh. Nu jadi kembang carita éta nagri, lain kabeungharanana. Tapi, putri raja nu sohor kageulisanana. Katelah- na Putri Budur. Ku geulis-geulisna, Dah- nasyi gé teu bisa ngagambarkeun kaéndahanana ku carita. Nu tétéla, nu teu weléh nyangkaruk dina ingetanana, buukna nu hideng meles tur gom- plok, kulit beungeutna bodas beresih semu- semu beureum. Panonna boborélakan lir mutiara. Gular-gilerna hihideung panon lir borélakna inten nu ka- tojo panon poé. Cindékna, nilik kana rurupaanana, teu matak bosen ningali, malah matak moho anu nénjo. Sorana halimpu. Matak genah kadéngéna. Mun cacaritana antare kalayan netes, tétéla maksudna. Kitu téh, ceuk Dahnasy gambaran éta putri mémang pinuh ku pangarti. Saterusna, ieu jin téh bruk-brak. Cenah, gam- baran kaéndahan jeung kageulisan éta putri téh éstu nenggang ti sasamana, malah asup kana susah keur nga- banding-bandingna. Da, mémang, éta putri téh hésé digamabarkeunana ku kekecapan. Peuting ka-182 “Ari pangna rahayat teu resepeun kana paripolah rajana, kumaha?” ceuk Maimu- nah semu panasaran. Dahnasyi nyarita deui. Raja téh bengis naker. Saha waé nu teu dipikaresep ku dirina, bisa nandangan mamala. Hukumanana tara jeung ijiran, lantaran ukur dumasar kana tinimban- gan pribadina. Raja Gayur, kitu katelahna. Eta téh raja gagah kacida. Loba nu gimireun ku kakara ngadéngé ngaranna ogé. Watekna, taya kasugema. Karajaanana nu geus sakitu legana téh hayoh wé ditamabahan ku cara naluk-nalukeun karajaan sabudeureunana. Ku cara kitu, éta raja téh beuki beunghar sarta kacida kasohorna. Najan kaasupna raja bengis, ka anakna mah, ka putri téa, nyaaheun naker. Sagala rupa kabutuhanana dicumpo- nan. Malah, naon waé nu sakira-kirana pibunga- heun anak, tangtu di- pilampah. Malah, keur nyenangkeun haté anak, Raja Gayur gé nyieun tujuh kaputrén di tem- pat-tempat anu béda. Eta tempat putri méwah naker. Dijieun tina rupa-rupa bahan anu kacida mahalna. Tujuh kaputrén téh, di- jieun tina rupa-rupa barang anu béda. Aya nu dijieun tina emas, batu, permata, jeung sajabana. Tujuh kaputrén téa, ditempatanan mah ukur tujuh taun sakali. Da, sa- taun téh cicing di hiji ka- putrén. Kakara mulang
  • Manglé 2436 11 deui ka tempat mimiti sanggeus nyorang taun ka dalapan. Kageulisan putri, tangtu wé jadi kembang carita ka jauhna. Loba lalaki nu panasaran hayang nyaho di kieuna. Atuh, sohorna téh beuki lila beuki nambahan. Nya ku lantaran kitu deuih jadi loba lalaki nu ngimpikeun hayang ngawangun rumah tangga jeung éta putri. Ku lantaran kalung- guhan éta putri sakitu luhurna, nu wani nga- lamar gé tangtu wé lain jalma joré-joré. Lolobana mah para raja jeung pangéran pirajaeun. Ngan, najan loba nu ngalamar putri téh tetep nolak. Raja mimitina mah teu bingung. Ukur nganggap meureun can waktuna hayang rimbi- tan. Tapi, sanggeus mangtaun-taun angger waé, sarta loba lalaki nu ditolak sapajodogan, raja gé jadi hariwang. “Naon pangna hidep nolak laki-rabi?” ceuk raja. Putri ngahuleng sajongjongan. Geus kitu, paralak nyarita tatag naker. Cenah, dirina téh boga karep jadi ratu nu mingpin umat manusa. Ku lantaran kitu, teu mungkin dirina diping- pin ku nu séjén kaasup ku lalaki. Najan putri nolak, tetep wé loba nu nga- lamar. Kahyang nu ngalamar, mémang teu togmol ditepikeun ka putri raja, tapi ka kolotna ka Raja Gayur. Pipikiran raja teu weléh bingung. Lain teu satuju kana kahayang anak jadi raja disatung- kebing jagat, da kana karep kitu mah satuju pisan. Ngan, ceuk pikirna, tetep wé awéwé mah kudu boga salaki. Malah, dirina téh mi- harep pisan boga turu- nan nu dirundaykeun tina rahim putri kameumeutna. Ngabandungan pasipatan putri kitu, raja téh bingung. Ngan, da teu bisa majar kumaha. Teu bisa maksa kana pakarepan anakna. Malah, raja téh ngara paur bisi enya putri tega kana pati luluasan mungkas lalakon hirup. Apan, pokna gé upama raja tetep maksa dirina kudu ngawangun rumah tangga, kajeun rék nelasan maneh! Ti mimiti harita, raja marentahkeun balad- baladna sina nalinga- keun éta putri. Malah, ahirna mah, éta putri téh teu meunang ka mana- mana, kudu tetep di lingkungan kaputren kalayan pangawalana nu kacida kuatna. Ku lantaran kageulisanana, ceuk Dahnasyi, dirina gé saban peuting ngalanglangan kaputrén tempat Putri Budur. Kituna téh, lantaran kasengsrem hayang nempo kageulisan éta putri. Ngadéngé caritaan Dahnasyi kitu, Mai- munah ukur mésem. Dirina mah bangun teu kataji ku caritaan éta jin téh. Cenah, moal enya aya awéwé geulis-geulis teuing saperti nu dicaritakeun ku éta jin. “Najan enya geulis, ceuk pikir kaula, moal kurup ari kana kakasepan anak raja mah,” ceuk Maimunah. Nu dimaksud anak raja ku eta jin téh, taya lian ti putra Raja Syahraman tea nu keur dikerem di panjara. “Naha ku naon kitu éta putra raja téh?” Maimunah netela- keun. Cenah, nu karandapan ku éta lalaki, teu beda ti nu kaalaman ku Putri Budur. Cindek- na mah, pada-pada nolak waktu kolotna nitah laki- rabi. *** (Hanca)
  • 12 Manglé 2436 M eunang dibélaan minggat-minggat mancal salaki téh, ari geus prak mah ditikah ku Usman, bet henteu leuwih senang, mun teu rék disebut tambah nyeri téh. Ku Nyi Rapiah bruh-bréh kagambar lalakonna baréto, ti jaman dikawinkeun ku pang- rérémo kolot ka Ujang Kusén nu sakitu beuratna duriatna ka manéhna. Tuluy dibawa migunungan ngebon kopi, bet dibéré aral, ngarumas boga rasa disangsara ku salaki, padahal salaki maksudna hadé, eukeur ngajar prihatin, diajar hirup leutik, makaya bibilintik, mambrih nyaho kana hargana kacapé, diahir bisa ngahargaan kalawan apik-rajin rikrik-gemi kana pakaya ari karasa hésé capéna keur waktu nyiar mah. Masing Ujang Kusén ogé moal teu bisa hirup megah, da bapana sudagar beunghar, tapi lain éta nu dimaksud; karep salakina mah mati-mati, pareng boga pakaya hayang ladang késang jeung bati pri- hatin pribadi, ulah banda warisan ti kolotna anu cék hakékatna mah sasat banda timu, sih piwelas kolot. Ari duit atawa banda téa, lamun karasa hésé nyiarna, jauh nyusulna, sok nyaah, lebar miceunna atawa dipaké awuntah. Teu cara duit atawa babandaan ladang babari, sok babari deui makéna, da hen- teu ras kana hésé-capéna. Nyi Rapiah lain atoh dibawa balangsiar ku salaki téh, kalah bedah bendungan, beunang digoda ku Usman, anak ménak sugih turunan bupati. Mimiti dikawin mah enya karasa senangna, rarasaan téh unggah harkat jadi pamajikan ménak. Tapi sanggeus birahi- na pada laas —da bogoh sotéh perbawa napsu héwani lain medal tina duriat anu clik putih clak hérang— nya tim- bul ngabarungsinang, Nyi Piah teu werat dipangnyandungkeun ka Agan Sariningrat anu sawaja- sabeusi jeung Aom Usman. Nya mending lamun teu bari kasééh onaman, da ieu mah imah gé dilindih, Nyi Piah mah diturunkeun ka imah leu- tik di kampung Pungkur. Leuheung lamun kilirna adil ona¬man, da ieu mah datang ogé Usman téh lalantangan, jiga sahayuna pisan. Jaba ti kitu indung-bapa Usman ka Nyi Rapiah téh teu jiga meueus-meueus acan mitoha ka minantu, hadé rupana mah kawasna nepi ka hayang misah langit. Basana gé asa diunghak dikutplak, “urang pasar”. Ménak turunan bupati, moal enya baé kudu minantuan ka “tihang jongko”. Apan ménak mah kudu ka ménak deui. Éstuning reueus sarta agul pisan harita mah jadi turunan ménak téh, asa jadi jelema pangmulyana. Jaba ti ménak mah kabéh gé dianggapna hina. Dina umumna, para ménak jaman harita ngang- gapna ka somah téh pohara laipna, masing ka nu beung- har ogé. Anak cacah anu daék dikawin ku mé¬nak, biasana dijieun saheulaanan, méméh meunang nu sababad. Lamun aya nu “langgeng” dipigarwa- na, biasana dipisatru ku mi- toha, dianggap ngunghak, ngalanjuka, mapadani. Pada- hal naon dosana éta awéwé? Salah saha upama aya cacah geulis dipikabogoh ku ménak? Naha adil lamun kasalahan ngan diteumbleuhkeun baé ka cacah? Liwat saking nyerina haté Nyi Rapiah. Pibalanjaeun ogé mun teu kaganjel ku kolot mah kawas matak ngangkruk enya. Ditambah deui panas ku omongan nu sok marawa béja, magar Usman jeung Sari- ningrat mah sok ngaluuhan pesta anu, raraméan di anu, katénjo rerendengan mari- dang tumpak bendi jeung jaba ti éta sakur béja nu aya panyeureudan. Disabar-sabar ogé kitu-kitu teuing mah teu kawawa. Kawas bener omongan kolot, yén sajahat-jahatna jelema, ari sakeprul mah sok aya baé kamanusaanana. Komo ari cara Nyi Piah mah teu kaitung jahatna, ukur kaabus awéwé ipis bendu- ngan. Barang dina hiji poe ngadéngé béja ti jalma réa, yén Ujang Kusén diiangkeun ka Surabaya mah, bet mani ngarumpuyuk. Dina seuh- seuhanana mah geuning bet buruk-buruk papanjati, sagoréng-goréngna ogé jeung baraya, ngadéngé kitu mah bet pating leketey. Jeung ari dirasa-rasa mah geuning ka Ujang Kusen téh bet lain ijid lain ngéwa ka jinisna, ngan ukur réa teu kapanujuan kana karepna. Dirarasakeun leuwih jero deui, kituna téh sihoréng saperkara perbawa Rapiah ogoan, tuman dingeunahkeun ku kolot, ka duana kalimpu- dan ku pangharepan kosong { 6 } Ku M.A. Salmun
  • Manglé 2436 13 molongpong ti Usman, ménak-buaya pangoloan awéwé, ninggang ka Nyi Rapiah budak ngora acan boga adeuh, poho, yén jaman harita pimanaeun aya anak somah lana dipibojo ku ménak, masing geulis jeung beunghar gé! Ras inget ka tembang: Mun ménak migarwa somah, lumbrahna anu geus galib, tangtu keur saheulaanan, méméh manggih ménak deui, nu sawaja-sabeusi, najan Nyi Somah satuhu, bélapati satia, upama geus manggih ganti, cul dipiceun teu nolih nyeri atina. Tambah gegebeganana haté Nyi Rapiah, barang kapikir, yén pangna popotonganana nepi ka nyan- dang ranté ngalanglaung ka Surabaya téh, poko-pokona pisan mah alatan ti Nyi Rapiah, mangkaning éta téh najan teu landes pisan ogé kasebutna baraya, tunggal darah getih pribadi. Manginget Nyi Rapiah ngusial hudang, sukma jeung lelembutanana ngadakwa nganaha-naha. Mana beubeunanganana téga ka baraya téh? Naon punjulna meunang dibélaan luas mancal salaki téh? Naon leuwihna jadi bojo Usman ti bojo Kusén? Mana buktina jangji-jangji Usman anu amis alahbatan madu téh? Euweuh! Baragajul malulu. Geblug Nyi Piah ngabeubeutkeun manéh di tempat tidur, ceurik leutik ngageunggeuik, malidkeun rasa tugenah ku cipanon nu juuh tanding cinyusu. Ceurik anu nyeri téa, nunggeulis eu- weuh nu nyombo atawa ngu- pahan, gulang-guling ngan sorangan, da di imah euweuh batur ngomong-ngomong acan. Ayeuna Nyi Rapiah éling bédana Kusén jeung Usman. Kusén mah enyaan bogohna, cintana jeung nyaahna téh medal tina kasucian ati, lain asmara perbawa nala, tapi tresna anu akaran jangkaran dina galeuh maneuh beuti pamelaranana, buktina ana tangkal duriatna dituar batur, akar téh jadi buruk. Karasa kénéh ngupah-ngapéhna jeung rumawatna Ujang Kusén ka manéhna dina keur gering atawa pura-pura gering éstuning dagdag-degdeg pisan rumawatna téh. Éta deuih sakitu geus lilana reureujeun- gan, sumawonna kungsi ngambek atawa nyarékan, can nyorang nyentak-nyentak acan. Lamun Nyi Piah mah enya, jaba ti méh unggal poé jamotrot ngabaeudan téh maké sok nyieun pucuk ti gi- rang sagala. Tah, Kusén éta, ayeuna nyandang ranté alatan ti pamajikan nginjing sila bengkok-sembah. Sabalikna ari Aom Usman, disebut aom sotéh ngan nga- gantel geusan papaés baé, da ari burihna mah gangas teu béda jeung buaya, ngadodoho ngalilimpi pamajikan batur, cara buaya ngadodoho nu keur ngisikan, nyaplok ti tukangeun, digusur dibawa ka leuwi, méméh dihakan di- timang heula (lamun buaya ngagusur jelema atawa sato rada gedé, teu bisaeun ngarewég cara maung, sabab tikorona leutik, sukuna pon- dok jeung teu sareukeut kukuna. Mamangsana sok digégélan heula tuluy di- apung-apung ‘cara ditimang’ sina paregat , dihakan sabagi- an-sabagian, nu pegat téa. Sésana sok dipeuyeum heula, dibubuykeun kana leutak, sampeureun engké) geus di- lebok sawaréh tuluy sesana disusupkeun kana leutak dina sedong tampolana terus kapopohokeun, da kaburu meunang mamangsaan anyar, ari lain lapar-lapar teuing mah tara néangan peupeuyeuman. Dina néangna, di mana teuing maké tuluy jinek, geus ngagorogot mah léos deui baé, peupeuyeuman mah sot-léos téh saenyana. Pimanaeun Nyi Piah arék ngeunah, hirup dijieun cara wadal buaya? Ku nu maraca tangtu kapikir. Enya ari tadina mah haténa pasrah, masing dicandung atawa disééh ku Sariningrat ogé dirumasakeun baé, kaprah ieu jaman harita mah anak somah dijieun “lele- botan” ku ménak téh. Tapi sanggeus sagala kapikir, bet karasa teu adilna adat- kabiasaan para ménak jaman harita kikituan téh, bet papada manusa dijieun cara cocooan! Tapi sarébu kali Nyi Piah ngarasa teu adil, sarébu kali ngarasa dijieun cocooan ogé teu bisa kumaha, da jaman harita mah paribasana gé: “Awéwé dulang tinandé, deukeut deuleu, pondok léngkah.” Manasina cara ki- wari, paguyuban wanita geus nerekab ka désa-désa, malah réa wanita nu leuwih “gagah” batan lalaki kitu-kitu baé mah. Turug-turug dina jaman Nyi Piah mah anggapan umum téh geus lumbrah, yén somah kudu jadi “Abdina” ménak, basana gé: boro-boro harta banda, dalah anak-bojo katut raga-nyawa kabéh gé boga ménak.” Ménak anu rantab popotonganana, reuay randa- na, pabalatak anakna di ung- gal désa –aya mendingna mun bari jeung mayeng ngabalanjaan mah— jaman harita mah dianggap kaayaan masarakat nu ilahar baé, tara jadi carita. Ménak anu jaba ti nyandung nepi ka opat dibarengan ku ngundeur ngénca-ngatuhu téh, harita mah kaprah. Ménak anu gem- bul kana pupundut, rosa kana paseba, nyaliksik ka buuk leu- tik, harita mah teu anéh. Jaman kiwari teu ngadéngé ari anu prak-prakan- ana karitu mah, duka lamun peta-petana geus robah, leuwih “modern” disurupkeun kana jaman. (hanca)
  • P uji sausikna ati mung kasanggakeun ka Gusti nu Maha Suci, puja sapinuhna rasa mung kanggo Alloh nu Maha Kawasa. Shalawat tawis hormat mugia tetep di dugikeun ka panutan agung mata holangna manusa sa alam dunya habibana kakasih urang sadayana, Rasulullah Muhammad Saw. Kaum Muslimin Rohimakumul- loh, Sa-warsih lamina urang parantos ngalaksanakeun ibadah puasa kalayan sagala daya upaya sakamam- puhan urang, mugia sing janten ibadah puasa nu pang hadéna dina sajarah hirup urang di dunya. Salajengna hasilna urang pasrahkeun ka nu Maha Kawasa, mugia kalayan sagala sifat Rohman jeung Rohim Na, sagala ibadah urang salami puasa, solatna, zakat infaq sareng shidqohna, maca Qur’an kalayan ruku’ sujud na, kalih du’ana sing di- tampi (maqbul) ku Alloh. Margi ibadah puasa di payuneun Gusti Alloh téh ngan ngamuara kana dua niléy. Kahiji ibadah puasa nu maqbul, kadua ibadah puasa anu mardud. Ibadah puasa anu maqbul tegesna di- tampi ku Alloh, cirina sanggup méré tapak nu hadé dina kahirupan sapopoé saréngsé ngalaksanakeun puasa. Kadua Ibadah puasa anu mar- dud nyaéta ibadah puasa anu sah ceuk élmu syaré’at tapi di tolak ku Alloh. Cirina puasa nu mardud saréngsé ngalaksanakeun éta ibadah henteu méré tapak nanaon nu hadé dina kahirupan nana saba’da puasa. Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu, Kumargi kitu hayu urang titénan deui sing jero isyarat Gusti Alloh dina tungtung surat al-Baqoroh ayat 183 nu mangrupa saripati hasil tina puasa, nyaéta la a’llakum tattaqun), supaya aranjeun kabéh jadi jalma anu takwa. Numutkeun pakar ahli bahasa al- Qur’an sapertos Ar-Raghib al-Asfa- hani, Alloh SWT. ngagunakeun kecap la a’llakum, nu hartosna mudah- mudahan, ngandung dua rahasia nu kudu di tafakuran ku urang. Kahiji, méré isyarat yén urang kudu caring- cing pageuh kancing saringset pageuh iket, manahoréng teu saka- béh kaum muslimin anu tamat ngalakonan puasana otomatis meu- nang darajat takwa. Ieu pisan anu di wanti-wanti ku Gusti Rosul dina pangandika na: “Bakal loba jalma anu puasa, tapi hasilna ngan saukur meunang lapar jeung hanaang”. Kadua, ku alatan Alloh SWT ngagunakeun kecap mudah-muda- han, maksudna Alloh maparin kasempetan ka jalma nu puasa teu pilih bulu teu pandang baraya saha waé, rék ménak, pangkat, atawa cacah kuricakan, asal puasana di- dadasaranan ku iman, ihlas, jeung ihtisab nyaéta sanggup ngaji jeung ngajénan ngabebenah diri, Alloh baris méré mustika takwa. Terus dina tungtung éta ayat Alloh nutup ku kecap tattaqun dina adegan kalimah fi’il mudhori’, nu nuduhkeun katera- ngan waktu ayeuna jeung waktu anu baris kasorang kahareup (al-hal wal mustaqbal). Ieu téh nandeskeun yén niléy takwa tina hasil sabulan puasa kudu ka paké dina wujud adeg-adeg Nitenan Ciri Taqwa Hasil Puasa, Naha Geus Ngancik Dina Raga? Ku Dr.H.Isep Zaenal Arifin, M.Ag.*) 14 Manglé 2436
  • kalakuan hirup jeung huripna manusa ayeuna kénéh saréngsé puasa jeung kahareup minimal sawe- las bulan nu bakal kasorang. Salaje- ngna nu kudu ku urang rada jero di tafakuran téh hiji patarosan, sakumaha luhur, naha niléy takwa di payuneun Alloh SWT keur kapenti- ngan hirup urang di dunya jeung engké di ahérat dugi ka Alloh ngahaja marentah puasa sabulan lamina, tujuan utamana ngan ngahasilkeun takwa? patarosan ieu pisan nu kudu di aji leuwih jero tinimbang di adurenyomkeun komo bari mung ukur dibibita ganjaran mah. Hadirin Rahimakumullah Alloh Swt. mémang parantos maparin jaminan, keur jalma anu ka- gungan mustika takwa dina awakna keur hirupna di dunya Alloh baris ngajamin yén, saha jalma anu takwa: (1) tiap nyanghareupan kasulitan dina hirupna Alloh baris méré jalan kaluar, (2) rejekina baris di jamin, (Qs. 65:2-3), (3) bakal di béré kakua- tan furqon, nyaéta kamampuhan ngabédakeun mana anu bener nu matak nyalametkeun, mana léngkah anu salah nu baris nyilakakeun, (4) sagala aib jeung borok hirupna baris ditutupan, (Qs.8:29), (5) mun nga- jerit ménta tulung harita kénéh ku Alloh ditulungan. Ngan, masalahna, naha éta mustika takwa tina hasil kuru cileuh kentel peujit puasa geus ngancik dina diri, jadi acina acining hirup urang? mangga geura titénan dina diri masing-masing. Numutkeun para ‘alimil ‘ulama, dimana takwa geus ngancik dina diri manusa, mangka bakal timbul ciri wanci dina sikep hirupna: 1. Istiqomah, ari sikep istiqomah téh nyaéta pancegna haté dina kalakuan jeung pamadegan anu bener karana Alloh dina kaayaan kumaha baé ogé, nepi ka geus teu nanaon ku nanaon. Dina lalakon hirupna manusa loba pisan nu cilaka téh alatan hirupna teu istiqomah dina bener, ahirna loba ka tipu ku urusan dunya nu saliwat jiga nguntungkeun tapi akhirna ngabuntungkeun, jiga rék mawa ka istana padahal gubragna ka pang- bérokan di panjara. Teu saeutik jalma béak umur dina kaayaan anu teu mangpaat lantaran teu istiqomah. Matak Kangjeng Rosul dugi ka maréntahkeun istiqomah dina pangandikana, nu hartosna: ”Pék geura istiqomah aranjeun, sabab hirup anjeun téh geus jauh, lamun aranjeun loba balangah ka katuhu, atawa loba ngagaléong ka kénca, mangka aranjeun geus loba sasab kasarung dina hirup anu kacida jauhna...” Ieu hadits jelas mépélingan yén hirup urang ulah loba balangah tapi kudu istiqomah dina bener, anu éta sikep istiqomah téh persis jiga kalakuan jalma mun keur puasa. Tuang saurna kudu jam sakitu, bukana kudu dina waktuna. Nu puasa tara unggut kalinduan tara gedag ka anginan, éstu panceg teu ka goda lamun can waktuna. Matak puasa téh jelas ngajar ka manusa tata cara jeung ngadidik kumaha carana istiqomah. 2. Ihsan, ciri sikep ihsan téh nyaéta ngarasa terus di pencrong ku nu Maha Kawasa arék lumpat ka mana ogé, sanajan rék nyumput di petian ku tujuh lapis beusi, sabab boga kayakinan yén Alloh Maha Uninga. Éta pisan maksud pidawuh Alloh ngalangkungan Rosulullah “Ari puasa éta keur Kami...., ibaratna puasa mah urusan Kami jeung an- jeun” saur Alloh. Matak jelas pisan puasa ngadidik jalma ngabogaan sifat ihsan. Sabab sabenerna mun jalma puasa sacara lahir hésé katangen ku papada manusa, mungkin waé anak pamajikan jeung dununganana bisa dibohongan, tapi ari jeung Alloh nu Maha Kawasa? jati diri manusa pasti moal ngarasa bisa ngabohongan Alloh. Buah tina sikep ihsan bakal katingali dina laku hirupna sapopoé boga sikep ajrih ku Alloh nu terus muroqobah, mencrong bari niténan sagala gerak-gerikna nepi ka teu wasa arék linyok bohong komo bari ma’siat. Lamun sajatina tiap manusa boga laku ihsan, mangka insyaallah nagara ieu moal loba paling, badog jeung rampog, nu ngarampog nagara nyangsarakeun rahayat ku linyok bo- hong basilat létah padahal nipu bari awuntah. 3. Al-ittiqo, nyaéta kamampuhan ngajauhan tina sagala rupa perkara nu haram jeung nyilakakeun. Keur jalma nu boga mustika Al-ittiqo hasil tina puasana, naon waé anu geus bau-bau teu bener komo bari jelas haramna pasti mangprét dijauhan. Pagawéan haram, duit haram, jaba- tan haram, bisnis haram, geus teu di dalilan jeung loba alesan deui pasti di jauhan sabab dibéré kamampuhan ka Alloh nyaéta kakuatan Al-ittiqo keur ngajauhanana. Sabalikna kana naon rupa perkara anu halal, duit halal, usaha halal, pergaulan halal, pasti di boro bari dijaga tata cara keur meunangkeunana. Didieu pisan ka tingal dina lakuning hirup manusa, lamun urang geus teu boga kakuatan keur ngajauhan naon rupa perkara nu haram, komo bari di dalilan ku sarébu alesan demi itu demi ieu, mangga wé geura ngeunteung kana kaca pangandika Alloh sareng Rosul- na, ambéh katangen yén boa hasil takwa tina puasa téh mémang taya tapakna, iwal ti ngan saukur meu- nang lapar jeung hanaang wungkul. Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu, Dina al-Qur’an surat Ali Imran ayat 133-135, ciri manusa anu takwa ditandeskeun, Kahiji: Alladzina yunfiquna fis- sarrooi waddorrooi Ngabogaan kawani jeung kasang- gupan ngabagikeun sabagéan harta hasil tina késangna ka nu séjén boh dina kaayaan keur sugih ogé dina kaayaan keur pas-pasan. Naon sababna basa Qur’an bet kitu? sabab jalma loba méré mawéh ka nu séjén dina kaayaan keur sugih mah disebutna wajar. Tapi keur jalma nu ngancik sifat takwa kajeun dina kaayaan tigerat bari pas-pasan manéhna wani kénéh ngaluarkeun shidqoh tina harta na pikeun jual beuli jeung Alloh. Méré mawéh dina kaayaan pas-pasan mémang lain pagawéan gampang, sabab umumna manusa bakal loba tinimbangan, mungkin waé kaluar kecap,”...boro- boro méré keur batur keur sorangan gé teu cukup..”. Poho yén shidqoh mah urusanana lain jeung manusa wungkul, tapi ogé langsung jual beuli sareng Gusti Alloh Swt. Dina salah- sawios hadits Kangjeng Rosul dugi ka ngandika:” Yeuh manusa, shidqoh heula anjeun, kakara anjeun bakal Manglé 2436 15
  • dibéré ku Gusti Alloh...”. Kadua: Walkaadhimiina Algo- idho Jalma anu tos ka ancikan mustika takwa ngabogaan dua kamampuhan, hiji mampuh ngadalian diri tina dorongan sagala hawa nafsuna, dua sanggup nahan diri dina kaayaan keur amarah atawa keur ngambek. Dua ciri ieu éstu keur ngajaga kahormatan jeung ajén harga diri manusa. Urang gé tiasa ningali dina kahirupan sapopoé, loba jalma nu coplok kahormatanana ku alatan teu mampuh ngadalian diri tina sagala dorongan hawa nafsuna, malah tungtungna manéhna nu jadi budak hawa nafsu. Dimana manusa geus di tumpakan ku hawa nafsuna mangka akal, élmu, kapangkatan, jeung ajén hirupna helas taya paédahna. Sabab élmu, pangkat, jeung jabatan bakal dipaké pipinding keur nedunan ka- hayang hawa nafsuna. Katilu: Wal ‘Aafiina aninnasi Kaancikan ku sifat gancang ménta hampura lamun ngarasa salah jeung gancang ngahampura ka nu boga salah. Éta dua sifat agung téh mé- mang lain perkara gampang ayana dina diri urang. Komo lamun jadi jalma anu gumedé bari teu rumasaan, dina salahna teu ngarasa salah, dina ngahampurana ka nu boga salah teu gampang, nu aya malah jadi “dendam kesumat” karatan nepika yaumil kia- mat. Keur jalma anu boga sifat takwa gampang pisan méré hampura, bari nuturkeun kumaha ceuk unggelna Qur’an saperti dina Surat al-Maidah: 13 : Fa’fu ‘anhum washfah, innalloha yuhibbul muhsiniin. Ieu ayat méré tungtunan nu jéntré kumaha tata titi jeung carana silih hampura, sabab loba jalma anu arék sili hampura tapi teu nurutkeun tata cara nu gariskeun ku Qur’an antugna sia-sia. Numutkeun ieu ayat aya dua léngkah tata carana lamun urang rék silih hampura: Kahiji: Fa’fu, tancebkeun heula niat rék ngahampura atawa ménta hampura, sabab lamun teu boga niat- niat acan arék ngahampura mangka pagawéanana moal jadi. Ngan niat wungkul can cukup, matak kudu terus ka nu langkah ka dua nyaéta: washfah. Numutkeun Ahli tafsir, washfah téh aya tilu harti: (1) lapang- keun heula dada keur siap ngaham- pura kasalahan batur, sabab lamun teu lapang dada ibarat caang bulan opat welas balungbang timur jalan gedé sasapuan paribasana, loba jalma nu teu jadi silih hampurana, (2) Mushafahah, nyaéta kudu aya ciri silih hampurana, misal wujudna silih pataréma leungeun, (3) shahifah, hartosna kudu muka lamaran hirup anu anyar anu teu geuneuk teu meueleukmeuk éstu bodas ngagenyas bersih wening tina ati nepi kana lisan jeung kalakuanana. Kaopat: Alladziina Idza faaluu faahisatan ao dholamuu anfusahum dzakarulloha fastagfaruu lidunubi- him. Jalma nu tos kaancikan sifat takwa hasil tina puasana, dimana sakali waktu manéhna ti solédat kana kasalahan jeung migawé dosa atawa dolim kana dirina, geuwat inget jeung éling ka Alloh, di tuturkeun ku istigfar dina harti ménta pangampura ka Alloh tina sagala rupa dosa jeung kasalahan, bari jangji neukteuk leukeur meulah jantung, ngagurat jagat moal arék sakali-kali deui milampah kalakuan anu salah. Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu, Hadirin kaum muslimin rahi- makumullah Pamungkas dina khutbah ieu, hayu urang ngaji diri urang sorangan antara kuring jeung kurungna tegesna raga urang, naon hasil tina puasa nu geus ngancik dina diri, nga- jengjen dina angen-angen, ngajentul dina qolbu, bari niténan pangandika Jungjunan urang Kangjeng Rosul nu ngandika: Li-kulli syae'in zakah, wa zakatul jasad as-shaomu. “Ari sagala rupa perkara téh éta aya alat keur ngaberesihanana, mangka ari alat keur ngabersihan jiwa raga manusa nyaéta puasa”. Kumargi kitu kahiji: muga-muga bati tina puasa ladang tina lapar jeung dahga urang nu di dadasaran ku iman jeung ihtisab, sing bisa ngabersihan sagala rupa panyakit jeung kokotor dina haté urang anu mémang teu aya obat dokter jeung rumah sakitna. Muga-muga sagala panyakit rohani, goréng haté, sirik, dengki, iren pinastren, dudupak, ru- rumpak, teu resep kana kahadéan, lulucon kana ibadah, campoléh kana perkara ahérat, sing diberesihkeun ku puasa urang. Kadua, lamun mah tacan imeut kénéh ku puasa, muga-muga masing kasimbeuh kasampurnakeun ku zakat anu husus keur ngabersihan diri nyaéta zakat fitrah. Sabab ditilik tina harti zakat hartosna ngabersi- han, fithrah hartosna; (1) asal kaja- dian, (2) kasucian, (3) agama nu lempeng bener. Tina makna ieu pisan atra tur tétéla zakat fitrah ngandung makna rusiah zakat anu bisa mali- keun deui kana asal muasalna manusa nyaéta suci jeung dibingbing deui balik kana agamana anu jejeg bener. Ku sabab pentingna ieu zakat fitrah nepika teu ka uger ku nisab, malahan jabang bayi nu kakara bral lahir ka dunya ogé wajib di fitrahan lamun aya waragadna. Katilu: dimana kurung jeung kuringna manusa tos diberesihan ku puasa jeung zakat fitrah, bisi kénéh aya pakuat-pakait kasalahan jeung papada manusa, maka Alloh maréntahkeun wajib silih hampura. Dipungkas ku kasampurnaan ngagungkeun Asmana Alloh dina Takbir, Tahlil, jeung Tahmid, isukna jalma anu kitu digambarkeun ku Rasulullah dina kalimat ‘Ka yaumin waladathu ummuhu’. Keureut beu- ngeut sopak awakna persis ibarat ja- bang bayi anu kakara lahir dina papada bersihna, sedengkeun poé éta di sebut ‘Idul fithri, nyaéta poénan sakabéh umat muslimin balik deui kana asal kasucian fitrahna hasil tina puasana, kalayan dipapaésan ku kalimah pamapag ‘minal ‘aidin wal faaizin’, nu mudah-mudahan sing jadi aleutan umat anu balik kana asal sajatina manusa anu suci bersih jeung jadi umat anu untung nyaéta salamet dirina jeung nyalametkeun ka batur mulya dunya ahérat. Insya- allah!. Ja'alanallahu wa iyyakum minal aidin wal faidzin waadhilna wa iyyakum fi ibadahishsholihin, waqul rabbigfir warham wa anta khoirurro- himiin. Amin. *** *) Dosen Fakultas Dakwah UIN SGD Bandung 16 Manglé 2436
  • 17Manglé 2436
  • Manglé 243618 Munggah A yeuna mah nu disebut munggah téh ngariung curak- curak méméh bulan puasa. Sabalikna tina babasan “Puasa manggih lebaran”, munggah mah “Cucurak mapag puasa”. Malah sok diaya-ayakeun teuing ayeuna mah. Contona baé sanggem pun alo taun ieu mah kantorna ngayakeun acara munggah bari piknik. Bring tilu beus ngom- poy ti Bandung ka Pangandaran, kabéh eusina karyawan jeung kulawargana. Méh satengah poé di jalanna ogé dibélaan luut-léét késang ngaliwatan jalan “padat merayap” bari teu eureun-eureun kikiplik mépés bayeungyang ukur rék ngadon munggah jauh ti imah. Uyuhan. Di lembur kuring mah mungah téh lumangsungna sapoé méméh puasa. Silih anteuran sangu sapuratina ka tatangga- tatangga sabudereun imah jeung ka kolot-kolot atawa nu dipikolot. Sok loba kadaharan ari munggah téh pangirim tatangga-tatangga nu deukeut jeung nu rada jauh. Béjana batur mah aya praktis jeung éfisién nyaéta kikiriman ti batur téh sok dikurilingkeun. Upamana kikiriman ti A dikirimkeun ka B, nu ti B ka C, nu ti C dikirimkeun ka A jeung saterusna. Atuh ngarah teu kaciri teuing sok dikombinasi. Cenah aya ka- jadian hiji kulawarga nampa kikiriman munggah nu asalna ti anjeunna kénéh. Béjana dipulangkeun deui maké implik- implik “Hatur nuhun, sanés nampik rejeki, mung bilih paba- lik létah”. Tara kitu Ema mah, kabéh ogé dipulang ku pasakan anjeunna. Soréna bada asar urang kaum jeung nu naretepan kumpul ngariung di émpér masjid pikeun ngadangukeun ceramah ngeunaan saum ti “Juragan” Halipah”. Tas kitu der ngaropi, lalawuhna rupa-rupa katuangan “jajan pasar” sumbangan ti saha baé. Kuring gé jeung barudak séjén sok milu ngariung jeung kolot-kolot, sarua meunang jatah. Apal deui ti saha-sa- hana susuguh téh, da apan ku Bapa sok ditataan heula bari terus didungaan ku saréréa dipingpin ku anjeunna. Komo susuguh ti imah mah pangapalna sabab méméh dikamasjid- keun geus seubeuh ti heula. Mun teu bada asar, réngsé tarawéh munggah téh. Sarua intina mah sukuran, atuh acarana teu pati béda ti “munggah asar”, bédana tara maké ceramah deui, tapi langsung ngariung, terus ngadunga, sat- utas ngadunga der ngaropi heula méméh marulang. Ceramah mah apan geus didugikeun méméh tarawéh. Aya deui nu disebut munggah téh nyaéta dahar saur mung- garan. Éta mah acara sakulawarga. Ménuna ogé sok ngahaja rada diistiméwakeun. Nu biasana tara maké “hahanyiran”, harita mah sakurang-kurangna aya pasakan lauk. Malah di nu aya mah sok aya daging hayam meunang meuncit beu- rangna. Sok pagembul-gembul saur munggah mah mapag isuk luntah-lentéh. Malah kuring mah sok ngahaja loba ngi- num nepi ka ampir olab, da isuk ambéh teu hanaang. Tapi akibatna….bésér. Tara kaur reup, sok ménta dianteur ka cai. Mun horéam hudang teu karasa…ngompol. Atuh isuk-isuk pada ngéra-ngéra. “Si Hangseuy” dipoyokanana ogé. Hangseur maksudna téh. Teu bisa kukumaha, rumasa jadi budak pangleutikna ti antara salapan putra Bapa jeung Ema. Tapi najan pangleu- tikna ogé kuring mah ti umur lima taun geus diajar puasa. Asana ti mimiti umur genep taun sok tamat-tamat baé nepi ka ayeuna geus reuay incu, Alhamdulillah, bisa kénéh diitung ku ramo teu tamat puasa téh. Ngoméan bedug Pisapuluhpoéeun kana bulan puasa ngoméan bedug mah. Jeung sok isuk-isuk pisan deuih migawéna sanggeus mang Mad Lomri, merebot masjid Padahérang, réngsé mumuluk. Jeung pangpangna mah ngarah leuwih loba waktu pikeun ngudag lohor. Da bakal jadi perkara gedé atuh mun ngoméan bedug can réngsé, ari lohor geus manjing. Saréréa bakal kali- wat solat lohor. Apan matak ruksak pardu ‘aén salelembur parat ka lembur séjénna nu sok kadéngé aweuhan bedug masjid Padahérang. Saha nu nanggung dosana? Duaan. Mad Lomri, merebot, jeung Juragan Halipah, bapa kuring. Ku ki- tuna Bapa mah sok langsung ku anjeun ngamandoran nu ngoméan bedug mah. Bada solat subuh bedug téh diturunkeunana digarotong diréréyang ku nu harita milu solat berjamaah. Terus diéncagkeun dina tempat nu ti kamari geus meunang nyayagikeun di pakarangan masjid kaiuhan tangkal kérsen Tatahar Puasa di Pilemburan Ku H.D. Bastaman 2
  • 20 Manglé 2436 R umah tangga kuring jeung manéhna téh cukup lila, layeut, ceuk batur mah nurub cupu cenah. Sok sanajan ka- ayaan ékonomi mah bisa disebut pas-pasan. Lain bobohongan, maklum ku- ring mah pagawé leutik, kasangtukang salaku kepala sakola di hiji ésdé. Anu leuwih reueus deui mah pamajikan pisan, teu aya aral subaha téh, rido bari jeung teu weléh nging- iclik baé ka ditu ka dieu téh, ceuk budak ngora mah meureun “lengket kaya nomor hapé”. Nya éta ogé ari sautak-saeutik mah gangguan téhnik téh aya, maklum pasipatan manusa anu kurang sampurna téa. Geus puguh ari arogoan- ana anak buah mah, boh sacara pribadi boh dina dines. Maklum ka anak buah téh kuring mah ter- buka, blak-blakan dina sagala rupa. Sering pisan lamun anak buah teu hadir kuring sok ngeusian kelas, maksudna mah nyelangan ngajar. Dicaritakeun téh lain nanaon, pédah wé inget kana tanggung jawab jeung kadisiplinan baé. Da naon deui atuh di alam dunya mah, pikeun kuring kitu ogé, itung-itung ha- yang pepelakan baé anu hadé pikeun sampeureun engké jaga. Dina hiji waktu, guru kelas 4 teu datang, malah teu béja teu carita. Sedengkeun ari guru kelah 4 téh nya éta guru tidak tetap/GTT téa. Budak kénéh alias gadis, rajin pisan dina sagala pa- gawéan téh. Malah anu anéh téh teu dipiceun sasieur jeung pamajikan téh, éstuning kawas jambé dibeulah dua. Harita kelas 4 téh ku kuring tadi téa nyelangan ngajar, nya éta dina pala- jaran kasenian. Deker baé kuring téh ngajar, ongkoh tamba cangkeul, kabene- ran keur rineh, maklum goréng-goréng ogé kuring téh pimpinan. Singhoréng salila 2 jam pelajaran kasenian téh, anak buah kuring getete téa téh aya, ngan sigana arék asup ngajar téh kagokeun, béh dituna di jalanna macét meureun. Sabot kitu bapa penga- was sumping, saterusna anu narima bapa pengawas téh nya anak buah kuring anu GTT téa, anu héjo kénéh pangalamanna. Geus kitu kuduna meu- reun, bapa pengawas téh ngaler ngidul sagala di- Carpon Darajat Tisnawijaya Getete/GTT
  • Manglé 2436 21 tanyakeun, nepi ka hal pribadina ogé tetelepek di- tanyakeun, bari jeung oper ékting sagala, maklum, bapa pengawas téh duda. Nyaho sotéh guru kelas 4 GTT téa laporan, bari ceurik sabada bapa pe- ngawas mulih. Ti dituna mah mangadu meureun, bakating ku geus teu asa- asa téa ka kuring. Samulihna bapa penga- was, kuring jeung anak buah nya éta guru-guru katut penjaga rapat leutik heula. Ngabahas naon- naon anu didugikeun ku bapa pengawas kayaning ngeunaan pentingna dunya atikan komo dina éra glo- balisasi kawas kiwari, anu serba canggih, pangpangna dina nyanghareupan “kurikulum 2013” cekeng téh.Réngsé ngayakeun rapat, anak buah marulang baralik, ngan penjaga baé anu pangpandeurina balik téh. Da kitu meureun geus ilahar ari penjaga mah, datang pangheulana balik pangpandeurina dimana- mana ogé. Sakapeung mah sok ngarasa éra ku penjaga téh, mun sakabéh PNS pangpangna para pajabat, disiplinna kawas penjaga sakola, sigana bérés meureun ieu nagara téh. Teu karasa jam geus nuduhkeun tabuh 15.00, lila pisan geuning kuring cumeluk nyorangan di kantor téh. Maké jeung mukaan biodata si GTT téa sagala, nepi ka sababaraha kali diilo, padahal manéhna téh geus lila nga- jarna. Da geus kitu kuduna meureun, teuing aya rasa nanahaon, sakali deui dise- but anyar da geus lila di- nesna téh. Ngan jelas ari umurna mah jauh pisan jeung kuring téh, bédana ogé 35 taunan. Ari anu hayang seuri mah lamun kuring aya di kantor ny- orangan, teu bosen-bosen éta biodata téh dibukaan deui. Malah dina hiji waktu mah ampir-ampiran ka- éraan ku guru-guru téh, ngan berekah aya ide, gan- cang ditutupan ku map séjén, heuheuy deudeuh, asa éra mikiran kalakuan mangsa harita. Geus kitu kuduna meu- reun, dina umur kuring nincak kana 58 taunan, pa- majikan téh dipundut ku Nu Kawasa, alatan katara- jang jantung ceuk dokter mah. Mangkaning tadi téa, keur reug-reug pageuh rumah tangga, kari-kari sakaligus ditinggalkeun. Kacipta kumaha sedihna kuring jaman harita dina sagalana, katambah-tam- bah nepi ka harita kuring acan dibéré pisan turunan. Teu karasa waktu nyé- rélék, kuring angger nga- laksanakeun tugas sa kumaha biasa, pon kitu deui guru-guru katut pen- jaga sakola. Dina hiji waktu GTT anak buah kuring téa ge- ring, malah nepi ka diop- name sagala. Ari kuring da salaku komandan téa, ung- gal poé ngalongokan ka rumah sakit téh, katam- bah-tambah manéhna téh geus yatim-piatu. Saha deui iwal ti kuring ogé guru-guru anu mikanya- ahna téh. Lucuna, ari anak buah kuring, guru-guru tea, teuing kumaha, siga anu ngartikeun, saban kur- ing keur paduduaan, komo keur ngahuapan mah, sok nyaringkah, alesanana rupa-rupa, maklum S1 malah S2 anah buah téh. Tapi ari palebah pamitan mah deui-dui lucu, mani kompak persis anu keur rampak sekar. Pareng dina hiji waktu pisapoéeun deui ka balik ti rumah sakit, bet aya rasa anu béda sajeroning ngob- rol téh. Lain wungkul ma- pagahan anu aya patalina jeung kadinesan, tapi leuwih jauh ngobrol kana masalah pribadi sagala. Meureun ceuk barudak ngora kiwari mah “men- geluarkan isi hati ungka- pan rasa” curhat téa. Teu kalis bari jeung luak- lieuk sieun aya nu ngitip, geus puguh haruwas-haré- wos mah. Mana komo basa keur ngedalkeun naon anu disebut eusi haté. Yén... da aéh kuring téh nyaah ka manéhna, trensa, ah jeung sajabana wéh. Éta téh bari jeung teu karasa cipanon murubut, inget ka si jenat anu sakitu bélana basa keur masih kénéh aya dikieuna. Ditambahan ku rasa éra, sieun ditolak cinta tur ku anah buah pisan. Ari teu dikedalkeun bisi ku pangawas manten, jaba pangawas mah beunghar deuih, da pangkat jeung golonganana leuwih luhur, ari rék kikieuan piraku baé. Dina simpena peuting di Rumah Sakit harita, teu disangka-sangka anak buah kuring anu masih kénéh ngora téh ngaharé- wos: upami bapa nyaah ka abdi, sing sapertos bapa nyaah ka ibu almarhum, istri bapa cenah. Mangga téh teuing, badé iraha- iraha ogé abdi ditikah ku bapa, da saleresna abdi ogé... teu kebat manéhna neruskeun caritaanana, ngan anu jelas mah gabrug baé ku kuring ditangkeup, dikeukeupan, bari rasa pinuh ku suka kabungah ngadéngé caritaan Nyi Mo- jang GTT téa. Teu karasa pas umur kuring nincak kana 60 taun, dina harti sakeude- ung deui kana pangsiun, kuring ngalaman nyorang deui balé nyungcung jeung manéhna GTT anah buah kuring, guru kelas 4 téa.***
  • 22 Manglé 2436 P eré sakola, Amin ngajak lalajo pagelaran wayang di sanggar deukeut sakolaan ka sobat deukeutna. "Mar, isukan urang lalajo pagelaran wayang di sanggar yu!" Amin ngajak ka Umar. "Horéam ah, peré sakola téh batur mah dipaké reureuh, manéh mah malah dipaké lalajo." Témbal Umar. "Lalajo ogé da lain dipaké lalajo nu teu pararuguh atuh." "Heug atuh, heug." "Hudangna isuk-isuk pisan nya? Ngarah bisa meunang tiketna, sabab loba pisan anu rék lalajo." "Heug. Ngan mun inget, heueuh?" "Lah manéh mah. Teu hayang apal, pokona kudu isuk-isuk hudangna." “Ah, manéh mah. Heug lah." Poe isukna, Amin nga- dagoan Umar di pipir imahna. Ngan, geus aya kana dua jamna, Umar teu datang kénéh waé. Teu kungsi lila, torojol wé Umar. "Geus ti mana heula atuh? Wayah kieu karék datang." "Karék hudang pisan, untung inget ogé." "Hayu atuh ah, kaburu pinuh." "Hayu, hayu." Amin jeung Umar gancang indit ka sanggar pikeun lalajo pagelaran seni Sunda. Éta pagelaran téh mangrupa pagelaran wayang golék anu di dalangan ku Ki Dalang Asép Sunandar Sunarya ti padepokan wayang Giri Harja 3 Kota Bandung. Bubuhan resep pisan sarta hayang panggih jeung Kang Asep, Amin pang sumanget- na ka sanggar téh. Barang nepi di sanggar, loba pisan jalma anu rék lalajo kana éta pagelaran. Geus teu anéh lamun éta sanggar pinuh ku anu rék lalajo, kulantaran ti poé-poé anu enggeus-enggeus ogé loba anu lalajo. Cenah mah ramé bubuhan dalangna geus kamashur ku balaréa jeung deui éta pagelaran téh lian ti dakwah syaréat Islam, aya ogé bodorna. Pantes waé lamun loba anu ngadon lalajo téh. "Mar, kuring mah geus teu sabar hayang ningali wujud aslina Kang Asep Sunandar." "Har. Ari manéh siga nu Juara 3 Pasanggiri Ngarang Carpon Paguyuban Pasundan PatepungdiMunggangGunung Ku Eka Nugraha Putra
  • Manglé 2436 23 kakara pisan. Teu pira Asep Sunadar dina kasét ogé aya atuh." "Béda atuh jeung dina kasét mah." "Béda kumaha ari manéh, sarua-sarua kénéh Asep Sunandar." "Maksud téh béda wu- judna. Ari dina kasét mah ngan saukur rékamanana. Pan ari ningali langsung mah jadi katingali wujud aslina." "Ah. Angger wé rék dina kaset atawa ningali wujudna langsung ogé tetep wé Asep Sunandar mah Asep Sunan- dar. Da moal rubah, sugan dina wujud aslina mah Asep Sunadar téh jadi Agus Yud- hoyono, moal atuh nepi ka embé bias ngapung ogé. Hehehe.” "Kumaha manéh wé lah. Hésé ngomong jeung manéh mah." "Hésé kumaha atuh ari manéh. Hésé kénéh naékan tangkal cikur, hehehe." "Duka lah. Pinter pisan ngabalik-balikeun manéh mah. Geus ah, tuh geura ngantri." "Hehe... Éléh téh kitu manéh mah. Heug atuh heug." Saenggeus ngomong ngalér ngidul, Amin jeung Umar ngantri meuli tiket jang asup ka jero sanggar. Tiket jang asup ka sanggar téh kaitung murah pisan ngan ukur Rp. 25.000,00. Geus aya ngantri kana satengah jam, tiket jang asup ka sanggar téh geus béak ka jual. Atuh Amin jeung Umar téh kacida kuciwana, hanas ngadadago salila-lila ngan euweuh hasilna. "Lah, borona geus nang- tung salila-lila nepi ka cangkeulna, pék téh tikétna béak. Hanjakal pisan" "Héhé. Teu jadi atuh rék ngakurkeun Asep Sunandar dina kasét jeung nu aslina téh?" "Manéh mah batur susah téh ngadon nyeungseuri- keun." Témbal Amin bangun ambek." Atuda manéh mah teu beunang dibéjaan, geus puguh loba nu rék lalajo. Nya puguh waé ari datangna beu- rang mah kaburu béakeun tiketna." "Salah manéh ogé atuh. Urang mah geus ngingetan hudangna isuk-isuk, ieu mah malah hudangna kabeura- ngan." "Atuda salah-salah waé manéh mah, liburan kieu di- paké lalajo wayang. Siga aki- aki waé." "Puguh da lalajo wayang téh kudu aki-aki waé. Wayang mah lain ngan saukur jang aki-aki wungkul, kuduna mah urang salaku rumaja kudu bisa ngamu- mulé budaya sorangan. Rék ku saha deui mun lain ku urang?" "Manéh mah ari geus ngomong kitu téh asa siga pajabat pisan, hehe." "Lah, hésé ceuk urang ogé ngomong jeung manéh mah." "Geus ah, hayu urang balik!" "Engké heula atuh. Urang téh da hayang lalajo matak kadieu ogé." "Ari manéh aya ku pinter. Rék lalajo kumaha, kapan tikétna ogé geus béak, piraku kudu ngapung mah!" "Kumaha waé atuh carana mah, nu penting urang bisa lalajo. Sugan aya tempat kosong sahijieun mah dijero. Kajeun teuing ngampar ogé." "Ari manéh éta aya ku keukeuh pisan, piraku urang kudu balik heula mawa samak ti imah mah. Pan matak tikét geus béak ogé geus euweuh tempat deui di- jero téh. Hayu ah balik." "Rék naon balik, rék mawa samak?" "Ari manéh, rék mawa aki urang! Nya balik wé atuh, di dieu ogé rék naon ari tikétna geus béak mah." "Euh. Nya hayu atuh." Nu ahirna Amin jeung Umar téh marulang ti sang- gar. Bari jeung bangun ku keuheul, Amin kapaksa nu- turkeun Umar mulang ti sanggar. Umar nyimpang heula ka warung rék meuli cai nginum. Teu kahaja Amin papanggih jeung Usup, nu kasampak keur mawa ka- capi. "Sup, érék ka mana?" Amin nanya ka Usup. "Eh, ari sugan téh saha. Érék ka sakola. Kéla-kéla, pan manéh téh lain érék lalajo di sanggar?" "Nya tadina mah. Ngan keur ngantri meuli tikét, geus kaburu béakeun, jadi waé teu tulus lalajona." "Euh, karunya pisan. Geus wé atuh ngilu jeung urang ka sakola!" "Rék gawé naon? Pan peré atuh ayeuna mah, euweuh sasaha di sakolana ogé." "Latihan rampak kacapi. Aya nu keur latihan." "Latihan jang naon ? " "Jang lomba di Manon- jaya. Hayu ari rék ngilu mah!" "Hayu atuh." "Urang mah moal ngilu ah, Hayang cicing di imah." Omong Umar. "Heug. Sukur atuh. Ri- weuh barina ogé mawa manéh mah." Ahirna, Amin nuturkeun Usup ka sakola pikeun ningali latihan rampak ka- capi, sedengkeun Umar mah malah milih mulang ka imahna. Kasampak di sakola téh teu loba jalma. Mung aya Sani wungkul. Nu séjénna mah can kataringali. "Ni, kamarana anu saréjénna?" Usup nanya ka Sani. "Aéh, pan keur lalajo heula pagelaran wayang di sang- gar." Témbal Sani. "Geuningan. Atuh Ula meureun. Bisi kaburu hujan yeuh." "Tadi téh nitah dagoan waé cenah. Moal lalila meureun." "Moal lila kumaha? Nyaho pagelaran wayang mah lila pisan. Rék nepi ka iraha urang ngadagoan?" "Duka atuh, da tadi téh ngomongna kitu. Dagoan waé atuh, moal lila sugan." "Heug atuh lah." "Sup, ngarah teu kesel. Kumaha lamuh manéh pangngajarkeun kacapi ka kuring?" Omong Amin. "Heug atuh." Amin dilatih ngacapi ku Usup. Teu gampang bisa ngacapi téh. Kudu boga leungeun anu geus kalatih. Lian ti éta, kudu geus apal kana konci-konci nadana. Éta anu dua téh kacida pen- tingna pikeun pamaén ka- capi. Teu sapoé, dua poé, bisa ngacapi téh. Ngan, lamun urangna soson-soson kana latihan mah, bakal tereh bisa ngacapi téh. Wanci geus rada beurang, Amin can bisa kénéh nga- capi. Ku héséna ngacapi, Amin beuki sumanget pikeun bisa. Ngan Usup ban- gun nu keuheul, meureun pédah Amin teu bisa-bisa waé. Wanci geus nunjukkeun pukul dua, torojol waé baru- dak anu geus lalajo di sang- gar. "Eh, Sup. Hampura euy urang tadi geus lalajo heula di sanggar teu bébéja heula ka mamah deuih." Omong Andi ka Usup bangun éra. "Lain ngabéjaan atuh, nyaho kitu mah urang ka di- euna teu isuk-isuk teuing." Témbal Usup. "Hampura, da urang ogé tadina mah moal aya niat rék lalajo. Kusabab Mang Dada ngajak jeung dibayaran, nya kapaksa waé arindit ka sanggar." "Maranéh mah mikirkeun téh jang kabutuhan sorangan waé, teu mikiran ka batur. Ceuk urang mah rék lalajo komo bari dibayaran mah lain ngajak ka urang." "Boro- boro inget hayang ngajak ka manéh, kana latihan ogé teu inget-inget acan." "Heueuh kitu tah kabisaan manéh mah, lamun geus suka sora- ngan téh tara inget ka batur." "Atuda kumaha deui, ari poho." "Matakna ulah loba doraka ka kolot, kitu tah aki- batna." Nyambung ka kaca 28
  • 24 Manglé 2436 T euing ku jem- pling lamun mangsana maju ka peuting. Tara aya nu ludeung indit sosorang- anan, ngaliwatan sasak Cipanggilingan. Geus sering kabéja- keun, sok aya anu megat. Mun henteu, aya ogé nu kawénéhan ningali awéwé gareulis, tapi palebah sasak sok ngari- les leungit. Tukang dagang emih mah geus arapaleun, kana sababaraha kaja- dian di dinya. Atuh puguh wé sakalieun maranéhna rék mulang entas dagang, tara daék sosoranganan. Maranéhna silih tung- guan di tonggoheun sasak. Harita téh pas Juma'ah kaliwon, geus diajam ti beurang kénéh rék nga- haja nyingsieunan batur nu ngaliwatan sasak. Si Otim batur kuring nga- haja dibéjaan, maksud téh rék duaan nying- sieunanana. Tas magrib sepré bodas dipaké disimbutkeun, luhurna ditalikeun kawas pocong. Tengahna dita- likeun kana cangkéng, srot, srot dikocrotan minyak air mata duyung, meleber seungitna angin- anginan. Teu poho kem- bang samoja ngahaja di- awurkeun palebah sasak. Sup kuring asup ka ko- long sasak, cingogo cun- gakgok luhureun cadas nu ngangkrong. Reungit rabeng sahéng sing ha- rieng kana ceuli. Nu kabeneran nyoco kara- sana ateul liwat saking. Sabot gugutrut ngagaro urut reungit. Gorobas, aya sora anu ngagorobas, singhoréng bangkong luncat sigana rada kage- bah. Ditunggu-tunggu sa- jam dua jam, acan kénéh aya nu ngaliwat. Teu ka- rasa waktu geus mingkin peuting, Si Otim ogé acan puncengis, padahal ti beurang kénéh dipapado- nan. Angin peuting ngahili- wir, karasa tiris. Minyak air mata duyung meleber seungit ngahiliwir nam- bag kana irung katebak angin. Asa béda rarasa- an, asa-asa aya nu nya- bak kana punduk, tiis nyecep. Puriding bulu punduk muriding. Teu kanyahoan titadi- na, di gigireun aya nu diuk noél kana taktak, geus moal salah pasti si Otim, kitu ceuk pamikir kuring. "Ari manéh lila-lila teu- ing Tim," ceuk kuring ka manéhna. "Hehh," ceuk ma- néhna. Héos bau hangru kaluar tina sungutna. "Kamana heula ari manéh kakara kadieu?" "Hehh.. .," ceuk manéhna deui. Héos deui bau hangru. "Kunaon ari manéh ngan hehh, héh waé jeung naon nu didahar ku manéh mani hangru kieu?" ceuk kuring ka Si Otim. Nu digigireun teu nyarita, garayam leung- eunna ngagarayam nyekel leungeun kuring. Tiis combrék karasana. "Cicing siah Otim, tong loba heureuy?" ceuk ku- ring ka manéhna. Nu digigireun kalah ngahajakeun. Garayam kana punduk, leungeun- na karasa geunyal, clak aya nu nyakclak kana punduk, napel karasa tiis pisan bari utak-utek. Nu napel dina punduk dirampa, terus di tempo tapi teu katempo da poék. Dirarasakeun, ge- uning ieu téh siga bila- tung. Haté mimiti nga rasa cangcaya, yén nu di gigireun téh boa-boa lain Si Otim. Rarasaan mingkin teu pararuguh, rék ngejat teu bisa suku asa diborogod. Awak ngeper, késang badag, késang lembut ngorolok saawak-awak. Teu sirikna ngiihan manéh, kuring ngan ukur bisa ngajeten. "Hayu alek ngilu ka tempat uling di sasak se- long," ceuk nu digigireun sorana rada ngosom. Sabot nyarita kitu ra- cleng tina sungutna bi- latung laleutik sagedé- gedé puhu sapu nyéré. Tungtungna tibuburan- jat cengkat. Jedak tarang kana papan sasak, suku asa aya nu ngarawél, gu- jubar awak tigujubar kana cai walungan. Usah-oséh hésé hudang, awak kabakutet ku sepré. Teu nolih awak rancucut, térékél naék ka luhureun sasak, kasampak Si Otim ngabebengkang teu éling-éling, awakna masih dibungkus kénéh maké sepré bodas luhur- eun sasak. Sajorélatan katempo aya pocong ngajorélat ti kolong sasak jleg cicing ngabelegedeg hareupeun. Sebrut kuring lumpat sa- taker kebek, teu nolih ka Si Otim nu ngabebeng- kang. Isukna, awak karasa nyareri. Leungeun jeung suku barundas balas tikararait, teu puguh rasakeuneun. Sepré urut peuting masih ngalumbuk di juru kamar. Rék dicokot, bét asa rada keueung. Tapi ahirna teu wudu, diko- Pocong Sasak Serong Ku Maman Rachman
  • Manglé 2436 25 réhkeun ku suku. Barang dikoréhkeun, tetempoan téh bilatung laleutik racleng tina sepré nu di- paké popocongan. Peuting isukna sang- geus awak rada teu pati teuing nyareri, léos indit ka imah Si Otim. Si Otim ngagojod dina dipan paranti saré di kamarna, sirahna ditémpélan ku saputangan nu ngahaja dibaseuhan ku cai com- brang. Rét manéhna ka kuring, panonna burial buncelik bari undur-un- duran. "Pocong!" ceuk manéhna nunjuk ka ku- ring. "Tim, Tim éling ieu mah uing!" ceuk kuring. Si Otim angger pocong- pocongan, kituna téh bari tutunjuk ka palebah ku- ring. Anxh ku tingkah laku Si Otim kuring nga- lieuk ka tukang, bener wé di tukangeun kuring aya pocong ngabelegedeg. Kuring reuwas gabrug nangkeup Si Otim, Si Otim mani nga- bebengkang katindihan dina tempat saréna. Pocong ngadeukeutan, beungeutna nampeu pisan kana beungeut ku- ring. Teu antaparah deui bari jeung sieun popo- congna dijambret. Breh téh, singhoreng Otom lanceukna Si Otim nga- heureuyan jadi pocong. Otom seuri mani ngehkey kagugu. Kagugu ku polah kuring jeung Si Otim, nu kacida pisan sieunna. Geus kitu mah léos Otom kaluar ti ka- mar bari reumbay cimata, bakat ku kagugu. Sanggeus leler pok ku- ring nanya ka Si Otim. "Lain Tim kunaon ari manéh maké ngabebeng- kang di luhureun sasak?" ceuk kuring ka Si Otim. "Tadina mah uing téh rék ngaheureuyan ma- néh, saméméh uing asup ka kolong sasak, tapi teu- ing timana tadina, aya pocong nyampeurkeun bari muka beungeutna nu pinuh ku bilatung," ceuk Si Otim kituna téh bari luak lieuk sieun aya deui pocong sigana mah. Poé teu karasa geus mimiti maju ka peuting. Rék balik ka imah, kalah sieun. Padahal biasana mah jam sabaraha ogé ludeung, najan kudu balik sorangan. Rék balik kapaksa ménta dianteur ka Otom, untung Otom daékeun nganteur. Bring kuring duaan balik ka imah. Palebah sasak, rada rundag-randeg. Katingali aya dua pocong nga- belegedeg, katingali tu- tunjuk ka lebah kajadian kuring jeung Si Otim peuting kamari. Bujur ngompod, teu sirikna rék wérwér ngiihan manéh. Na ari jleg téh pocong geus aya hareupeun ku- ring jeung Otom. Najan Otom kasebut wanian ogé, ari prakna kitu mah teu burung ngompod. Teu antaparah deui kuring jeung Otom lumpat satarikna, bari jeung titatarajong. "Poccoooonnng....!" ceuk kuring méh bareng jeung Otom. Otom sarungna tikait, geblug labuh ninggang kana akar jambu. Atuh puguh wé biwirna jeding, huntuna punglak sadua- dua. Engapan ngahegak kénéh, pon kitu deui Otom nu leuwih ripuh sabab biwir jadi jeding jeung huntu ngurangan dua. Regot nginum cai hérang nu diasongkeun ku emana Si Otim. Keur miceun kabaluas cenah. Bari ngararasakeun kanyeri, dipikir dibulak- balik. Enya geuning paripolah ngaheureuyan batur kitu téh teu hadé. Tungtungna sorangan wé nu jadi korban. Meureun ceuk batur téh, “Puaaasss... ,kop lebok!"*** Anggrek Opat Welas, Juni 2013
  • 26 Manglé 2436 B aju pulas beu- reun, mérek Crocodile keur anteng diteu- teup sanggeus dikaluarkeun tina lomari. Karék diistrika poé kamari. Ayeuna éta baju geus rék dipaké deui. Baju juragan, kuring ngalandihna gé. Baju nu tadi keur anteng diteuteup tuluy rap dipaké. Ras nyawang ka jaman harita waktu kuring masih kénéh jadi pagawé, boga kalungguhan satingkat jeung éssélon 3. Ayeuna mah geus diécageun. Enya atuda ayeuna mah kuring na gé geus pangsiun. Ari nu ngaranna pangsiun téh apan sagalana tangtu bakal ngurangan. Ti mimiti ka- giatan, tug kana panghasi- lan ékonomi. Baheula keur jaman boga kalungguhan, sagala kaha- yang kacumponan. Hayang baju anu mérekna terkenal, kabeuli. Ceuk landian ayeu- na mah branded. Dahar di réstoran mana waé gé geus dicobaan. Ulin ka tempat- tempat rékréasi bari nyuge- makeun incu, kabéh geus kaaprak. Tapi sanggeus pangsiun mah, mani asa jauh tina harepan. Ari nu jadi masa- lahna mah, pamajikan kuring anu teu bisa na- rima kanyataan, yén hirup téh teu salawasna aya di luhur. Baheula mah sagala kahayang kacumponan. Ayeuna loba kakurang, da kuringna gé geus teu boga panghasilan. Lantaran teu bisa narima kanyataan téa, antukna pamajikan ngajerit, teu bisa hirup jiga kieu. Lamun seug disukuran mah, kuring gé da teu sangsara-sangsara teuing. Imah masih kénéh boga. Tanah aya kénéh bagi- keuneun ka anak incu. Tapi naha atuh hirup téh mani asa sangsara- sangsara teuing? Enya, ti saprak pamajikan min- deng ngahutang. Hi..hi..kuring jadi hayang seuri sorangan lamun mikiran nasib kiwari anu jauh kanyataanna jeung waktu harita. ”Pa...Pa...buka énggal Pa...!” panto kadéngé aya nu ngetrok. Lamunan anu keur anteng jadi kagareu- wahkeun. Koloyong muru panto. “Mangga...mangga...ké sakedap.” Kasampak pa- majikan kuring karék balik ti pagawéanana. Mani rib-rib ku balanjaan. “Yeuh..punten Pa..can- dak ka lebet! Mamah beu- rat tatadi ngéngénglékna!” Kuring nampanan bari sup ka jero imah. “Pa..ari tadi aya nu sumping ka dieu ti Bank?” bari diuk dina korsi awahing capéeun tas balik gawé. “Teu aya. Na aya naon kitu?”kuring nanya bari kerung. “Tadi aya nu nelepon ka mamah. Ti Bank badé sur- vey cenah ka dieu. Nya mamah téh rurusuhan wé muru wangsul, bisi ka dieu mamahna can uih.” “Survey? Mémangna badé nyurvey naon?” Laaaah, tong sok mu- nafik. Kaayaan ayeuna téh apan urang téh keur butuh ku duit Pa. Lamun teu nganjuk rék ti mana atuh pangabutuh mamah jeung Bapa?” kituna téh bari léos indit ka kamar rék ganti baju. Carpon Niknik LebaranTaunIeu
  • Manglé 2436 27 Kuring nu masih kénéh nyekel balanjaan. Ngahu- leng teu ngarti kana jalan pikiran nu jadi pamajikan. Heuleut sababaraha jam ti harita, jalma anu rék nyurvey ti Bank téh datang. Kuring keur lalajo tipi di hareup. “Punten, leres ieu sareng bumina Bu Hajah Enok?” lalaki dedeganna jangkung gedé bari mamawa tas diso- rén. ”Muhun leres. Sareng saha Yi?” “Abdi ti bank. Tadi tos jangjian badé nyurvey Pa,” ceuk manéhna daréhdéh. “Oh muhun mangga. Ka lebet heula Yi. Antosan sakedap, urang sauran ibuna,” kuring masih can ngarti geus aya perjangjian naon antara pamajikan jeung manéhna? “Mah..mah..” kuring ngahudangkeun pamajikan nu keur tibra, “Itu aya tamu di payun. Saurna mah nu badé nyurvéy téa.” Pamajikan hudang. Rap kana baju, bari ditiung. “Yu Pa, sarengan. Saksian mamah. Pan kedah aya persetujuan ti nu janten suami cenah” “Ké..ké Mah ulah waka ka payun. Bapa téh rada aya ganjelan dina haté. Na kanggé naon Mamah nam- but artos sagala ti Bank? Naha kirang kitu sagala nu dipasihkeun ti bapa?” “Alah..lain waktuna naroskeun!” témbalna bari leungeunna ngabentikeun curuk. “Hayu lah anggur mah urang pendakkan. Karunya ngantosan lami.” Emh lamun lain bulan puasa, tatadi gé mani geus hayang sahaok-haokeun nyaram. Tapi gusti, kiat- keun abdi tina gogoda ngalawan hawa napsu. “Pa..pa... énggal ka dieu,” nu gegeroan ti hareup kadéngé atra. Jung kuring nangtung, bari horéam nyanghareup- anna. Gék diuk, marengan nu keur ngobrol di hareup. “Tah Pa, bakal di-ACC cenah. Agunanana mah tanah nu di tonggoh ku Mamah téh janten tan- donna. Ayeuna kantun bapa tanda tangan wé. Yeuh sok tawis heula,” pa- majikan daria. “Ké..ké, punten Yi bapa naros. Si ibu téh sabaraha ngajengkeunana? Teras sabaraha lami ditawurna?” tanya téh. “Ari ngajengkeun mah 150 juta Pa. Tapi, teu terang, naha tiasa di-acc sabarahana mah. Sapuluh tauneun,” témbal tukang survéy. “Sok sok Pa, geura tawis. Karunya si Ayina badé angkat-angkatan deui,” bari nyonyodor blangko. Trét kuring nandatangan nu di- sodorkeun ku pamajikan. “Muhun atuh Pa, Bu. En- jing wé aya wartos deuina nya, abdi badé permios heula. Supados gampil mah mangga siapkeun wé sarat- sarat anu diperyogikeun kanggo kelengkapan admi- nistrasina,” bari sor pama- jikan kuring nyodorkeun amplop, majarkeun téh su- paya di-acc. Sangeus sémah indit ku- ring pok nyarita, “Mah ka dieu sakedap, bapa badé naros. Mamah tos wantun nyandak putusan sosorang- anan badé nambut artos. Apan Mamah gé terang meureun bapa téh ayeuna mah tos pangsiun. Ti mana kanggo mayarna? Najan badé nambut milyaran gé tiasa waé, sagala nu kapi- milik dijadikeun tandonan. Tapi lebah mayarna badé ti mana? Yeuh Mah hirup kakolotnakeun jiga urang mah kudu ngurangan hu- tang, supaya teu aya beban hirup,” kuring ngalelemu nu jadi pamajikan, supaya teu nempo ka luhur, nempo batur nu bisa sagala ka- beuli. “Alaaah, jiga nu bisa waé nyumponan pangabutuh? Mamah mah masih kénéh loba beulieun Pa, masih kénéh loba pangabutuh lah.” bari indit ninggalkeun kuring. “Nya rék ti mana atuh mayaranana?” kuring nga- jorowok nahan ambek. “Astagfirulloh apan kuring téh keur puasa. Tapi ieu dodoja, teu bisa dihalang- an. Sajeroning rék saré keukeuh nu jadi pikiran téh naha katumpangan naon nu jadi pamajikan téh? Mani resep pisan ka nu ngaranna ngahutang, bari jeung teu mikiran rék ti mana mayaranna. Kajadian modél kieu téh apan karék kaalaman taun kamari, basa manéhna nganjuk ka Bank. Témpona kudu mayar, karasa lieur- na. Unggal bulan kudu paciweuh jang mayaran. Dina waktu jatuh témpo, apan kudu buru-buru diba- yar bisi kadenda. Isuk-isuk, pamajikan geus saged dangdan rék ka pagawéan. Bari amanat, “Pa kadé éta seuseuheun di jamban tos kénging ngeu- euman mamah, teraskeun nya? Mamah tos kasiangan, badé aya rapat.” “Mangga, biasana gé ku bapa apan, Mamah mah kantun nganggo wé,” tém- bal téh. Kitu jeung kitu pagawéan unggal poé. Nasib jadi pangsiunan. Batur sapro- fési gé sarua geus parang- siun, meureunan nasibna henteu jiga kuring teuing. Tiiseun. Boga budak opat, nu cikal jeung nu kadua geus rumah tangga. Nu keur sarakola kari duaan deui. Tapi di imah téh ti- iseun pisan. Kabéh jarauh, boga kasibukan sosorang- anan. Enya, nu diajam mah hirup ka kolotna téh hayang bagja. Adem ayem, babarengan jeung pama- jikan nepi ka pati. Tapi kanyataanana, beuki kolot téh kalah asa ripuh. Sawangan hirup anu raharja moal aya kakurang deui, bet kalah kieu buk- tina. Henteu kitu geuning nu ngaranna napsu mah, éstu taya watesna. Kriing...kriiing...sora hp disada tarik pisan. Biasana incu nu sok narelepon téh. Bener wé incu ti nu cikal geuning nu nelepon téh. “Hallow, Ki..aki..nuju naon? Pasti aki nuju nyeu- seuh nya? Aki tos ngepél teu acan? Aki nuju bébérés di bumi?” duh éta incu mani capétang nanya, ma- ké jeung apal kana kabi- asaan akina sapopoé. “Euh...ieu Nénéng nya? Muhun aki nuju nyeseuh. Apan si nini nuju ka sakola. Ngepél mah atos tadi. Ngan teu acan bébérés. Laleuleus. Apan nuju saum. Nénéng saum teu?” “Saum atuh Ki. Teu acan batal. Apan ku umi badé di- pasihan artos saratus rébu pami tamat Ki. Eh ku Aki badé dipasihan sabaraha? Nénéng mah hoyong acuk lebaran anu sapertos barbie nya ki? Mésérna di Mata- hari gé seueur. Ké pang- mésérkeun ku Aki nya?” Kagugu. Seuri wé kuring mah, “Oh saum teu acan batal nyah Nénéng téh? Emh hoyong dipasihan acuk barbie nyah? Muhun ké nya ku aki dipangaga- leuhkeun. Du’akeun wé ku Nénéng aya milikna nya? Nénéng sareng saha ayeuna di bumi? Umi tos arangkat sareng Abi?” Bari teu kuat nahan cipanon, haté asa kagerih basa nu jadi incu ménta di- pangmeulikeun hadiah lebaran. Emh geulis, boro keur anjeun, Aki gé lamun hayang ngaroko kudu
  • 28 Manglé 2436 nungguan paméré ti nu nini. Da apan duit gajih pangsiunan kabéh dibi- keun. Aki mah tara nyekel duit. Gustiiii naha nasib kuring téh bet kieu-kieu teuing. “Ki, halow... Ki...kunaon cicing waé, sinyal awon kitu Ki?” “Ah henteu Néng. Aki aya kénéh apan nuju nelepon sareng Nénéng,” kuring neger-negerkeun diri. “Umi sareng Abi mah tos arangkat ka sakola Ki. Nénéng mah nuju ameng sareng Aa sareng si bibi wé. Ki..iraha ka dieu? Apan Nénéng badé ulang taun,” ceuk manéhna. “Ké sareng nini nya. Urang ajak Ninina.” “Oh muhun atuh Ki. Atos heula nya, ké mésér acukna sareng Nénéng wé nya Ki? Supados tiasa milihan,” ceuk manéhna nandeskeun deui. Kuring tibang unggeuk, “Mangga Néng..” Sanggeus hapé ditutup, sajongjonan kuring ngahu- leng bari teu kuat nahan piceurikeun, “Hampura geulis, Aki ayeuna mah teu jiga aki nu baheula. Lamun bulan puasa téh ngabring meuli baju lebaran. Milih sakumaha karep. Baju mérek Crocodile pa- vorit aki gé, tara elat dibeuli waé. Bet ayeuna mah, iwal ti baju nu masih kénéh bisa kapaké wé keur engké lebaran téh. Nu kacipta lebaran ayeuna kuring rék ngabringkeun deui incu sina marilih baju nu dipika- hayangna. Tapi nyatana, ngan saukur ngalamun. Komo baju mérek Crocodile, nu jadi kahayang can tangtu kabeuli deui. Ayeuna mah kameumeut téh ngan ukur baju nu napel dina awak. Teuing iraha kabeuli deui.**** "Ah, manéh mah sagala disebutan. Geus atuh ham- pura urang caliweura. Hayu ah, urang latihan." "Tatadi ogé urang téh nga- jak latihan. Hayu atuh." Témbal Usup bangun ambek. "Hayu, hayu." Geus araya kabéh, der barudak rampak kacapi téh latihan. Kabéh geus alampir kompak, bubuhan geus lati- han sababaraha bulan. Harita latihan téh teu pati lila kulantaran harita mah ngan ukur menerkeun kasalahan anu enggeus- enggeus. Geus bérés lati- hanna, tuluy marulang waé ka imahna masing-masing. Amin ngarasa asa teu mubah datang ka sakola téh, kusabab manéhna geus rada bisa maénkeun kacapi, mung ari aya kénéh salah saeutik-saeutik mah wajar, budak karék borojol kénéh. Éta latihan kacapi téh itung- itung ngubaran rasa kuci- wana kulantaran teu bisa lalajo pagelaran wayang Asep Sunandar. Mung sabenerna mah dina haté leutikna, Amin téh nyimpen rasa kuciwa kénéh, sabab manéhna keukeuh pisan hayang panggih jeung Kang Asep Sunandar. Harita, keur Amin di sako- laan jeung Usup mah poé téh kacida panas jeung ca- ang mentrang, mung, ayeu- na mah geus rubah jadi ceudeum pikasieuneun, sigana mah rék turun hujan badag. Amin lumpat kacida rusuhna, sabab sieun ka pegat ku hujan badag. Hujan turun ngagebrét kacida badagna, wanci éta Amin kapahung pisan. Rék reureuh da euweuh tempat jang ngiuhan sabab di sisieun jalan téh ngan ukur sawah wungkul, kapaksa atuh Amin lumpat kacida tarikna ngarah téréh nepi di imahna. Barang nepi di parapatan jalan teu jauh ti imahna, torojol ti belah kidul hiji mobil alus anu teu pati nge- but. Kusabab Amin lulum- patan bari jeung teu titinga lian ka sabudeurerunna, Amin katabrak ku éta mobil. "Jo, turun-turun, tulungan heula itu budak." Omong ceuk nu boga mobil ka supirna bangun nu reuwas. "Muhun, muhun badé." "Jo, teu kunanaon éta budak téh?" Omong anu boga mobil bari ngan saukur nolol tina kaca mobilna. "Henteu ku nanaon, Kang. Mung barareuh wungkul." "Sok atuh gancang bawa kana mobil, urang bawa ka Puskesmas ayeuna." "Muhun ieu ogé nuju, Kang." Amin tuluy dibawa ka Puskesmas anu kabeneran teu jauh ti éta parapatan jalan. "Cep, hapunten tadi pun supir tos caliweura." Omong nu boga mobil ka Amin. "Teu sawios bapa, abdi nu kedahna nyuhun- keun hapunten mah. Tos caliweura di jalan." Témbal Amin bari ngarérét kana wajah nu boga mobil éta. Amin ngarasa reuwas jeung bangun nu teu yakin, sabab anu boga mobil eta téh tetela Kang Asep Sunan- dar. "Ieu téh Kang Asep?" "Muhun. Abdi Asep Sunandar Sunarya ti Giri Harja 3." "Aduh, Kang abdi téh ho- yong pisan pendak sareng akang téh. Tadi énjing-én- jing téh badé ka sanggar, na- mung tos séép tikétna, janten waé teu tiasa pendak. Nya ayeuna asa kenging naon téh janten tiasa pendak sareng akang." "Ouh, hatur nuhun pisan atuh pami kitu mah. Naha geuningan wayah kieu nembé mulang. Atos timana heula kitu?" "Nembé téh sawangsulna ti sanggar, ameng heula ka sakola. Kaleresan nuju aya latihan rampak kacapi, nya abdi téh ngiringan sareng nyuhunkeun diajarkeun waé ku réréncangan dugi ka saalit-saalitna mah tiasa ngacapi." "Hoyong diajar kacapi?" "Euh. Kantenan pisan atuh." "Sok, atuh pami kitu mah ngiringan waé ka sanggama Kang Dayat di caket pasar. Kaleresan éta sobat akang. Kanggo biayana mah tong dipikiran, anu puguh mah sing diajar anu bener tur di- larapkeun dina kahirupan sapopoé. Kumaha badé teu?" "Emm... Muhun, hoyong pisan. Hatur nuhun pisan sateuacanna." "Sami-sami. Euh, da ieu téh akang moal tiasa lami- lami. Ayeuna badé teras ka Bandung deui. Sing enggal damang waé. Hapuntenna waé kitu ka kulawargi." "Oh, muhun atuh. Abdi anu kedah nyuhunkeun ha- punten mah, tos ngariri- weuh. Nuhun kana tawis anna muga-muga digen- tosan amal kasaéanana." "Amin. Hayu ah. Akang ti payun. Assalamu'alaikum." "Mangga. Wa'alaikum- salam." Amin kacida bungahna, manéhna bisa papanggih jeung Kang Asep Sunandar, lian ti éta ogé aya anu leuwih ngabungahkeun kana haténa nyaéta ayeuna Amin geus ngiluan diajar ngacapi di sanggama Kang Dayat. Éta élmuna rék dilarapkeun jeung rék diajarkeun ka batur pikeun ngamumulé kana budaya Sunda.*** (SMAN 2 Tasikmalaya) Sambungan ti kaca 23
  • 30 Manglé 2436 B ungah taya papadana. Kahariwang jeung kamelang ayeuna mah sirna kaganti bagja. tujuh taun ngadahup jeung Kang Danu, karék ayeuna Kang Danu boga paniatan rék lebaran bareng di lem- bur. Bareng dina harti marengan kuring jeung nu jadi anak mapag lebaran datang. Alhamdulillah. Haté mah ti baheula gé hayang. Saha anu teu ha- yang dina poé anu kacida sakral pikeun umat Islam, ngumpul ngariung jeung ku- lawarga. Pon kitu deui ku- ring. Sarua neundeun harepan anu pohara. Harepan pikeun babarengan jeung salaki iraha waé. Tapi kuring kudu ngarti, kudu nalipak manéh. Bonganna. Enya bonganna. Pan geus apal ti béh ditu mula, kuring téh ngan saukur pamajikan nu ngora Kang Danu. Pama- jikan anu ceuk kabéh jalma mah meureun awéwé anu nyieun tunggara pikeun pa- majikan nu kolot Kang Danu. Kuring gé sadar. Yén kuring ngan saukur pama- jikan nu ngora anu kudu ngawayahnakeun manéh, kana naon rupa anu baris karandapan. Kitu deui dina urusan waktu. Kuring kudu narima poéan reureujeung- an jeung Kang Danu teu bisa iraha waé. Samporét kacida. Dina sataunna bisa kaitung, sabaraha kali tepungna. Sakapeung nganaha-naha ka diri sorangan. Naha bet bogoh ka Kang Danu anu geus rimbitan. Naha bet kapentang asmara ku Kang Danu anu geus kolot. Ceuk batur mah cenah kuring sérab ku kabeungharan Kang Danu. Padahal mah teu kitu. Enyaan kuring cinta ka Kang Danu teu mandang harta. Apanan basa tepung munggaran gé, kuring mah apalna Kang Danu téh guru di kota anu kabeneran keur ka dulurna di lembur. Tapi mungguhing tresna teu ningali nanaon. Apan cenah cinta mah buta, meureun kitu ogé anu karandapan ku diri. Kaasih geus matri, kanyaah geus ngaranjah nalar sadar. Ka- suka euntreup na diri hamo ilang. Kabehdieunakeun karék apal. Geuning Kang Danu ka lembur téh rék ngontrol tanah jeung sawah anu kacida legana. Mimitina mah enyaan reuwas sarta embung nepungan Kang Danu anu sakeudeung deui jadi salaki. Tapi Kang Danu angger nepungan, malah leuwih remen. Antukna ku- ring léah. Ari nu jadi kolot? Nyérénkeun sagalana ka kuring. Sanajan mimitina teu méréan lamun kuring ngarangkep jeung Kang Danu. Tapi sanggeus kuring ngobrol panjang lébar sarta ngeukeuhan rék kawin jeung Kang Danu. Aranjeunna sapuk, ngan méré kaman- dang kumaha hadé go- réngna lamun kuring jadi pamajikan nu ngora. Ngan ari kaputusan mah sagem- blengna nyérénkeun ka ku- ring. Cinta kuring ka manéhna ngéléhkeun sagalana. Kur- ing geus ngaridhokeun waktu, ogé kanyaah Kang Danu anu kacida sam- porétna. Kuring gé ngarti pan Kang Danu mah nyekel kalungguhan penting di dayeuhna. Teu ieuh teuing hayang ngorék perkara pa- gawéan naon anu sabenerna jadi pacabakana Kang Danu. Anu penting keur kuring mah Kang Danu nyaah ka kuring ogé ka anak katut ku- lawarga besar kuring. Sanajan panggih teu puguh waktu. Tara kaleungi- tan komunikasi, unggal poé mah sok aya waé manéhna nelepon atawa SMS. Atuh dina sakalieun tepung teh, siga anyar panganténan waé. Totomplokan. Sanajan sok teu pati bébas sabenerna mah. Da éta lamun saka- lieun panggih téh sok mawa waé pangawal. Najan enya lamun keur paduduaan mah pangawal gé sok leuwih ngarti, cicing wé di kamar tukang atawa nguriling kebon anu Kang Danu. “Ngajaga kaamanan,” ceuk Kang Danu dina hiji waktu. Pédah kuring nanyakeun ku naon atuh teu nyorangan nepungan téh. “Ehm. Muhun nya hilap. Pan akang téh pejabat. Héhé,” kuring sumolondo kana lahunan. “Ah, teu kénging nyarios pejabat, Nung. Omat lamun tepung mah euihkeun tah babasaan kitu téh pokona, Akang mah hoyong sosonoan waé sareng Enung.” Ti harita mah tara piran- jeunan nanya, sanajan dina heureuy perkara jabatan naon anu sabenerna dicang- king Kang Danu. Ngan hiji, nu teu weléh jadi bahan obrolan, silih mercayakeun tresna jeung kanyaah sana- Basa Tarawéh Geus Lekasan Ku Nina Rahayu Nadéa
  • Manglé 2436 31 jan arang tepung. Ngagedékeun parasaan sangkan kuring tong leutik haté lamun Kang Danu datangna telat atawa leuir dina waktu anu geus di- jangjikeun. Pagawéan jeung kulawargana tangtu jadi ti- nimbangan utama manéh- na. Satutas ngarangkep ka Kang Danu kuring bumén- bumén di lembur batur. Ceuk urang dinya mah ku- ring téh awéwé bagja. Imah agréng, sawah lega, tanah di mana-mana. Enya gé aya di lembur anu jauh kama- mana. Babari lamun hayang ka kota atawa balanja mah. Pan Kang Danu geus nyadi- akeun supir katut pemban- tu, pikeun ngawulaan kuring. Tinggal nunjuk lamun hayang mah. Tapi kuring mah teu pati resep sabenerna. Sagala kaperluan keur di imah, mercayakeun wé ka pembantu. Osok éta gé jalan-jalan ngan tara remen. Éta gé lamun budak ngarenghik hayang jalan-jalan atawa nongton. Tara mikir dua kali sok langsung wé dienyakan sarta harita gé langsung indit. * Teu karasa Tujuh tahun dipihukum ku Kang Danu, salila éta can pernah Kang Danu datang dina poéan lebaran. Paling datangna téh saminggu satutas lebaran. Paling gancang dua poé sanggeus lebaran. Tatangga jeung nu lainna geus pada apal ka Kang Danu anu kacida sibukna. Boa kétang, maranéhna geus apaleun lamun kuring jadi pama- jikan nu ngora. Ngan meu- reun perkara éta mah teu waranieun nanya ka kuring. Da sakapeung sok katangen ku juru panon, maranéhna tingkecewis tigharéwos lamun kuring ngaliwat. Tapi lamun paadu jonghok mah tara waranieun, malah maranéhna kacida ngahor- mat ka kuring. Enya meureun sérab pedah harta kuring ngaleuya. Geus saminggu Kang Danu cicing di imah. Datang ka lembur téh nyorangan teu cara sasari jeung pan- gawal. Atoh jeung teu atoh. Perkara atoh mah geus teu kudu dicaritakeun. Komo barang manéhna nyarita seja lebaran bareng. Ari teu atohna, enya asa anéh jeung pangpangna mah karunya ka pamajikan kolot pisa- kumahaeun meureun manéhna leungiteun. “Kang, enyaan badé lebaran di dieu?” teuing geus sabaraha kali ieu pananya téh ditepikeun. “Duh siga nu teu percaya waé. Enyaan. Naha ulah kitu akang lebaran di dieu?” panonna mencrong. “Muhun atoh atuh. Tapi kumaha?” “Kumaha, kumaha?” “Muhun garwa Akang?” kuring tungkul. Teu wasa. Dina nyebut garwa aya nu nyeletit kana ati. Ngajeletit pohara. Garwa. Enya pan kuring ge pamajikana. Tapi, ah teu kudu dicaritakeun deui kumaha peurihna haté. Da kahayang mah kuring gé normal cara batur. Boga salaki ngan sorangan teu didua-dua, kanyaahna. Tapi kapaur téh sieun pamajikan kolot datang, ngontrog ka dieu. Pan mindeng aya dongéng atawa carita nu ngalantarankeun baruntak- na hiji rumah tangga pama- jikan nu ngora lantaran diontrog atawa dijorag ku pamajikan nu kolot sabab geus dianggap hianat, nga- rebut salaki batur. Hal éta pisan anu sabenerna di- pahing. Pisakumahaeun wirang jeung nalangsa ku- lawarga katut anu jadi anak, ningali indung aya nu ngaje- jeléh. “Nung...” Teu nyoara angger nyawang lamunan. Enya aya kahariwang anu kacida, pa- majikan nu kolot Kang Danu datang. “Kang. Sanés alim. Tapi abdi téh sieun,” kuring beuki tumungkul. “Sieun. Kunaon?” “Sieun wé garwa akang nu sepuh ka dieu,” sora kuring méh teu kadéngé. “Tos, tong ngemut nu kitu. Moal ieuh ditéangan rék sababaraha bulan gé. Nu penting mah materi. Duit salilana asup ka rekening manéhna. Perkara salaki meunang kasusah mah ge- uning haré-haré. Malah sigana horéameun pisan tepung,” Kang Danu hu- mandeuar. “Akang nuju kenging ka- rerepet?” “Ah, tong dipikiran. Akang embung Enung jadi paneu- mbleuhan. Pokokna ti wangkid ayeuna akang hayang babarengan di dieu, nepi ka iraha waé oge,” Kang Danu nangkeup kuring. Tipepereket. Ngagalémoh pinuh ku sono. Tangkeupan Kang Danu ngeureunkeun sagala pananya kuring anu metet pajurawet. * Harita tarawéh geus lekasan, waktu ka kuring aya nu noél ti tukang. “Aya tamu. Ti pengker ti tadi ngantosan.” “Saha?” “Duka tuh da saur Bu Érna nu calik pangpengker- na. Saurna aya tamu kanggé ibu penting pisan.” Gura giru kuring ngudar mukena anu keur dipaké. Leumpang rengkuh ngali- watan jajaran ibu-ibu anu keur dariuk di masjid. Tatan-tatan ngadéngékeun ceramah. Gok ka lawang masjid. Rada ngajenghok waktu ningali aya nu nga- janteng tiluan. Anyar pi- nanggih. “Sareng Bu Lastri?” “Muhun. Ke ari sadérék?” tarang kerung, nengetan nu anyar pinanggih bisi wé anu wawuh tapi kapopohokeun. “Punten pisan Bu, ngaga- nggu. Dupi Pak Danu aya kitu?” “Pak Danu...?” “Muhun Pak Danu carogé ibu.” “Eu... muhun aya. Nuju di masjid. Hayu atuh urang ngawangkong di bumi waé heula, bari ngantosan heula pun lanceuk. Sakedap deui rupina.” “Duh ibu. Punten pisan tiasa teu disauran ayeuna. Peryogi pisan,” omongna saklek. Bari jeung teu puguh rasa kuring balik deui ka jero masjid. Ngaliwatan deui ibu-ibu anu katingali keur siliharéwos. Jep ningali ku- ring datang téh langsung jarempé. Kuring nepungan Kang Danu anu keur ngob- rol jeung Pak RT. “Kang, aya tamu,” kuring humaréwos. “Oh,“ sakeudapan ngahu- leng. “Énggal,” kuring noél leungeunna. “Enya geus waktuna meureun...,” manéhna ngagerendeng. Laju cengkat ninggalkeun masjid. Barang kaluar.... Sémah anyar pinangih téa. Rikat nyekel leungeun. Siga nu kasieunan. “Kéla...nanaonan,” kuring teu ngeunah ningali salaki dikitukeun. “Enya sok leupaskeun. Moal kamamana, kuring rék nyerah. Percaya ka kuring,” omong Kang Danu tatag. Neuteup nu anyar pinang- gih. “Nyerahkeun naon ari Akang?” kuring neuteup Kang Danu. “Ibu, wayahna. Bapak kedah dicandak ayeuna. Bongana bapak susu- lumputan waé.” “Ke...perkara naon?” pananya kuring dibaturan ku nyurucudna cipanon teu kaampeuh. “Engké ibu terang ku an- jeun. Ieu sadayana ti KPK.” “Hampura akang!” Kang Danu nuturkeun sémah.***
  • 32 Manglé 2431
  • Manglé 2436 33
  • 34 Manglé 2436 S aha nu nyalonkeun anggota DPD ti Jawa Barat, jinek geus ditangtukeun ku KPU. Jumlahna lain saeutik deuih. Aya 36 calon piliheun masarakat, nu pantes kapilih luyu harepanana. Rupa- rupa kasang tukangna gé béda-béda. Aya ti birokrat, seniman, budayawan, tokoh agama, inohong, tokoh wanoja jeung sa- bangsana. Ngan masarakat sorangan apal kana ketak jeung pungsi DPD sabenerna? Atawa nganggap sarua jeung ketak DPR? “Ketak DPD RI sapertos nu asalna ti Jawa Barat, mémang teu acan katawis, ku- margi ngawakilan masarakat Jabar, widang garapanana ageung pisan, tapi tanagana sapertos nu kirang. Ku kituna anggota DPD teu tiasa museurkeun tarékahna dina hiji widang wungkul atanapi mung ngungkulan sawatara kelompok masarakat, margi "konstituen" DPD mah apan Jabar sagemblengna,” ceuk Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si. Nu rék milih tangtu ulah salah pilih. Kitu deui keur anggota DPD. Ku kituna, ceuk panitén politik, Prof. Karim, nu nyalonkeun kudu boga niat jadi wawakil daérah, lain nu séjénna. Ku kituna, calon- calon téh kudu jelas boga kamampuhna. Lantaran, upama geus jadi, anggota DPD kudu pangheulana apal naon nu kajadian di daérahna. “Kedahna mah mah naon waé kajadian di Jabar jeung tumiba ka saha waé, anggota DPD nu pangpayunna narékahanana. Tapi kaayaan kieu sapertos nu kirang. Sanés di Jabar wungkul, lumrah di mana-mana. Conto nu paling gampang, di Papua nu hampir salilana "panas"', rupa-rupa kajadian tumiba, tapi sikep DPD na teu ka kuping. Tentara, pulisi, atawa OPM wé nu remen dicaturkeun téh,” cek ieu Guru Besar Komunikasi Politik Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung téh. Ku kituna, palebah dieu, kapasitas calon penting kacida. Nu utama, tangtu calon DPD kudu nu leuwih masagi. Dina harti, ceuk Prof. Karim Suryadi mah, nu ngarti kana sagala urusan kadaérahan, hubungan puseur jeung daérah jeung nu leuwih lega ambahanana. Kituna téh, lantaran jinisna ngarangkul rahayat Jabar nu béda-béda aspirasi, ideologi jeung kayakinanana. Béda jeung anggota DPR nu ngan ukur ngawakilan aspirasi politik séwang-séwa- ngan. Lobana nu nyalonkeun, keur masarakat mah loba piliheun. Ngan palebah milih saha nu pantes? ahirna mah bakal guman- tung kana ketak tiap calon dina nepikeun kamampuhna. Sanajan sarat nyalonkeun DPD generik (umum), dina harti teu aya sarat husus dina sual kamampuh, tapi Prof. Karim negeskeun deui, lain hartina nu asal-asalan. Sahanteuna anggota DPD ngawengku sababaraha widang: 1) ka- mampuh neuleuman naon kahayang tur kahariwang rahayat di daérah nu diwaki- lanana, 2) neuleuman tata nilai, adat, pa- pagon hirup tur tata cara nu masih dipaké, utamana cara ngungkulan masalah balaréa sangkan naon di dipikiran tur dipilampah ku anggota DPR luyu jeung kahayang tur harepan rahayat di daérah, jeung 3) ka- mampuh teknis, saperti cara nampung, jeung ngokolakeun aspirasi rahayat di daerah jadi undang-undang. “Pan ayana DPD teh didorong nu kapentingan nga- jamin keterwakilan daerah dina proses pe- Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si. Héabna nyanghareupan pilihan wakil rayat 2014, boh DPR-RI, boh DPRD beuki karasa. Ngan kumaha ari héabna pilihan Dewan Perwakilan Daerah (DPD-RI)? Naha héabna bakal sarua? Manglé nyutat pamanggih di panitén politik jeung di antara calon DPD-RI taun 2014. Mapag Pilihan DPD-RI Saha nu Pantes Jadi Wawakil Jabar?
  • Manglé 2436 35 rumusan kebijakan publik. Ulah dugi masalah tuan rumah PON waé éléh ku daérah séjén. Janten intina kaberhasilan pungsi DPD diukur tina kaberpihakan kawijakan nasional kana kapentingan Jabar,” pokna. Hj. R. Ella M. Giri Komala; Lain Saukur Nampung Aspirasi Daerah Mancén tugas di Dewan Perwakilan Daerah Republik Indonesia ngawakilan Jawa Barat, dina seuhseuhanana mah beu- rat kacida. Utamana, dina nguatan pungsi DPD sangkan teu dibéda-beda ti peranna Dewan Perwakilan Rakyat. Tilu Pungsi DPD, pangawasan, pertimbangan jeung le- gislasi, dina émprona mah, teu aya kaku- atan. “Mémang sakumna anggota DPD geus ngalakukeun tarékah-tarékah nu maksimal. Hartosna, luyu jeung pungsina mah, parantos nyugemakeun hasilna,” ceuk Hj. R. Ella M. Giri Komala, waktu ngobrol rinéh disela-sela kagiatan resés di Jawa Barat. Pangalaman Hj. R. Ella, mancén DPD- RI, mémang henteu gampang. Sahenteuna aya 154 kaputusan DPD, boh nu patali jeung sual anggaran, boh sual legislasi na- sional gé beunang perjuangan nu maksi- mal. Lantaran, kawenangan DPD sorangan, dina sistem bikameral bisa dise- but kamar kadua. Balukarna, cek ieu ketua muslimat NU Jawa Barat, loba kaputusan DPD nu ditepikeun ka DPR teu puguh na- sibna. “Sapertosna waé, waktu DPD mariksa pasaratan, saha-sahana nu pantes jadi ketua BPK, sacara obyektif. Kumaha putusanana? Buktina DPR sorangan, mu- tuskeun nu lain tina pertimbangan DPD. Janten aspék politikna mémang kiat pisan,” pokna daria. DPD-RI prinsipna mah mémang keur nampung aspirasi jeung kapentingan daérah jeung masarakat. Ngan hanjakal, deui-deui, kawenangan DPD RI luyu jeung pasal 22D ayat (1) UUD 1945 kawatesanan, nu mung saukur ‘dapat’ ngajukeun RUU salahsahiji ka DPR jeung teu aya kawenan- gan keur ngabahas babarengan nepi ka jadi kaputusan. “Tapi nya kitu, sanaos kawatesanan, margi nyandak aspirasi ma- sarakat, keur pribados mah teu janten ha- halang kanggo nepangan masarakat sareng ngiring ngabebenah pamaréntah di daérah, kalebet Jawa Barat, nu mingkin dieu mingkin onjoy di tingkat nasional,” ceuk ieu teureuh Sukamiskin Bandung gedé harepan, lantaran dina nganiléy sual WTP (Wajar Tanpa Pengecualian) waé, peunteun pamaréntah Jawa Barat kacida pikareueusanana. Dirojong Nyalonkeun Deui Peran DPD dina ngabebenah sistem katatanagaraan nu kawatesanana, keur Hj. R. Ella lain hartina kudu ditinggalkeun. Malah sabalikna perlu terus diper- juangkeun. Lantaran kitu, cek ieu Ketua Kaukus Perempuan Politik Indonesia KPPI Jawa Barat ogé, loba nu ngarojong pisan dirina sangkan nyalonkeun deui anggota DPD-RI. Di antarana waé nu gedé ha- repanana téh ti kaum wanoja. “Seueur ro- jongan kedah majeng deui téh, lantaran, masarakat masih percaya ka jalmi nu tos pangalaman. Saurna ibu-ibu mah, pokona mah langkung saé nu tos pangalaman,“ kitu ceuk ieu pimpinan Wilayah Muslimat NU daria, nirukeun aspirasi kaum wanoja di saban daérah di Jawa Barat. Dina pilihan DPD RI taun 2014, Hj. R. Ella mémang salahsahiji calon ‘incum- bent’. Tina hasil verifikasi KPU, nu asup calon DPD asal Jawa Barat, kiwari undak. Taun 2009 nu nyalonkeun aya 26, taun 2014 mah undak jadi 36 calon. Tina 36 calon, tangtu rupa-rupa kasang tukangna. Aya nu asalna ti kader partéy, birokrat, seniman, tokoh agama, ogé budayawan. Keur Hj. Ella, lobana ‘persaingan’ nu aya matak reueus. Tapi, sanajan loba, ahirna, Insya Alloh masarakat Jawa Barat mah bakal milih nu mampuh jeung deukeut jeung masarakatna. *** (RH) Hj. R. Ella M. Giri Komala; Lain saukur nampung aspirasi Daftar Calon Sementara (DCS) anggota DPD-RI taun 2014 ti Jawa Barat 1. Aceng HM Fikri 2. Asep Syaripudin 3. Asril Das 4. Ayi Hambali 5. TB. Dasep 6. Deni Jasmara 7. Deni Saepul Hayat 8. Djumono 9. Elang Raja L. Zulkarnaen 10. Ella M. Giri Komala 11. Eman Suryaman 12. Eni Sumarni 13. Euis Atikah 14. Gunawan Undang 15. Hasan Zainal Abidin 16. Husni Mubarok 17. Julianda Barus 18. Edi Parmadi 19. Moh. Athoillah Musrjid 20. Muhammad Hafidz 21. Nace Permana 22. Nazar Haris 23. Nu’man Abdul Hakim 24. Odik Sodikin 25. Oni Suwarman 26. Ratu Raja Arimbi Nurtina 27. Rudi Harsa Tanaya 28. Rukman Heryana 29. Suhaeli 30. Suharna Surapranata 31. Syarif Bastaman 32. Syifa Hananta 33. Tri Wuryantoro 34. Unang Margana 35. Uu Rukmana 36. Yos Faisal Husni
  • 36 Manglé 2436 M ASIH kénéh perkara suwungna urang Sunda nu kasebut dina bursa calon persidén, atawa caprés téa. Padahal, réa pisan padahalna nu netelakeun yén boh sacara geografis boh démografis boh politis, Tatar Sunda the kawilang réa unggulna dibanding- keun jeung étnis lian nu lain Jawa. Sacara geografis, apan Tatar Sunda téh pang- deukeutna ka puseur kakawasaan jeung pamaréntahan Jakarta. Sacara démo- grafis, apan jumlah urang Sunda téh kadua ti jumlah urang Jawa. Hartina pa- dumukna leuwih réa manan jumlah pa- dumuk étnis lianna, iwal ti Jawa. Ku lantaran jumlah padumukna réa, atuh tangtu nu ngabogaan hak pilih téh réa deuih. Jadi, sacara politis mah Tatar Sunda téh nguntungkeun pikeun kampa- nyeu. Saha caprés nu bisa meruhkeun urang Sunda, tinangtu baris unggul. Ana kitu, upama aya urang Sunda nu wanimaju,waninyalonjadicaprés,asana téh piraku éléh. Saratna, asal aspék politis nu kasebut di luhur téa disanghareupan kalawan daria. Kudu aya ihtiar pikeun “meruhkeun” sasama urang Sunda. Teu kaci ngan ngandelkeun faktor émosional wungkul. Pikiran nu didasaran ku rasa “papada Sunda” kudu disieuhkeun. Lain ku lantaran urang Sunda leuwih kritis, nepi ka lebah nangtukeun ukuran téh lain etnisna tapi kamampuhna. Lain, lain éta. Tangtu hadé pisan upama boga pikiran kitu téh. Tapi pangna pikiran “papada Sunda” kudu ulah dipaké ugeran téh ku lantaran urang Sunda mah aing-aingan téa. Jeung pangpangna mah éta sikep goréng nu teu weléh hayang ngaréng- kasan waé ka batur nu hayang maju.Naon sabab pangna taya saurang gé urang Sunda nu kase- but-sebutdibursacaprés?Tangtu wé ku lantaran euweuh urang Sunda anu tandang makalangan dipanggungpolitiknasionalturta karasa ayana boh ku urang Sunda boh ku lain urang Sunda. Naon sabab pangna kitu? Aya adat kakurung ku iga téa, adat-panga- datan anu nepi ka kiwari henteu sagemblengna leungit tina diri urang Sunda. Adat nu bisa jadi mangrupa dadasar kana euweuhna urang Sunda nu makalangan tur kadéngé aweuhana sacara nasional. Adat nu hésé pisan leungitna téh nyaéta adat nu teu weléh kudu ngajauhan dunya politik. Teu kapaksa-kapaksa teuing mah kawasna bakal moal aya urang Sunda nu ancrub kana dunya politik. Sedengkeun ari caprés apan éta mah kulah politik. Pamo- halan bakal aya nu ngajenengkeun alatan gawéuranghadé.Jamankiwarimahbéda jeung jaman kamari. Jaman kamari mah, aya sotéh urang Sunda nu jareneng di panggung kakawasaan nasional bané wé pédah kapaké ku dunungan. Aya urang Sundanujenengjadiwakilpersidén,bané wé pédah kaanggo ku Soeharto nu harita nyekel kakawasaan mutlak. Da lamun kudu dipilih cara jaman kiwari mah pamohalan aya urang Sunda jadi waprés. Rék teu pamohalan kumaha da puguh taya saurang gé urang Sunda nu wani maju. Jajauheun wani nyalonkeun diri mah, boh pikeun cadi caprés atawa cawaprés. Jaman kiwari mah jaman tarung, jaman “paheuras-heuras geng- gerong”, jaman “goong nabeuh maneh” sangkan anu lian apal saha jeung kumaha diri urang, tur bisa naon baé ari urang. Teu kitu mah lapur, moal diambeuan batur. Ari “goong nabeuh manéh” apan éta mah lalampahan kaum politisi. Réa kaum politisi nu harus goongna, tug padahal ari ari polona mah kosong. Ari di kalangan urang Sunda, nu samodel kitu téh apan rada hésé ditéanganana. Ku lan- tarannyakitutéa,kanaurusan politiktéh teu sirikna pacaduan pikeun urang Sunda mah. Rék ancrub kana dunya politik, dipikir dibulak-balik. Cék papatah kolot, dunya politik mah dunya anu kudu di- jauhan, lantaran kotor jeung botrok. Ku lantaran kitu pikeun urang Sunda nu gugon tuhon kana papatah kolot, pikeun ancrub kana dunya politik téh “ngimpi gé diangir mandi”. Éta babasan hartina téh “cadu, baid, kaayaan atawa lampah anu dijauhan, ulah nepi ka kaimpi-impikeun acan” cék Ajip Rosidi dina buku Babasan jeung Paribasa Kabeungaharan Basa Sunda (PT Kiblat Buku Utama,2005) Ana kapaksa ancrub kana dunya poli- tik, tara ieuh ngarasa sadar yén dirina téh politisi. Antukna, paripolah politikna téh teu ka luhur teu ka handap, ngatung lir calanakurangbahan.Dinasikepna,urang Sunda nu ancrub kana dunya politik téh henteu wani tarung. Tara ieuh wani paréa-réa omong pikeun mertahankeun pamadeganana, sok sanajan bisa jadi pa- madeganana téh teu pati bener. Da apan ari dina dunya politik mah lain baé “ke- cakapan” nu dipeunteun téh tapi oge “ke- banyakcakapan”, diukur ku réa henteuna ngomong. Pangna tara wani paréa-réa omong ku lantaran urang Sunda nu an- crub kana dunya politik mah sok nem- patkeun dirina dina posisi “sufi” atawa “resi”,cékalmarhumSetiaPermanamah. Padahal ari dina dunya politik ngeu- keuhan gaya “sufi” atawa “resi” mah atuh geus tangtu bakal moal diambeuan batur. Kuduna téh, cek almarhum kénéh, dina dunya politik mah kudu rada “bengal”, malar diambeuan lian. Kudu ngeunteung ka Acéh atawa Papua anu wani “nang- tang” ka pamaréntahan pusat. Acéh ngadegkeun Gerakan Acéh Merdéka (GAM), Papua ngadegkeun Organisasi Papua Merdéka (POM), anu diniatan pikeun nyingsieunan pamaréntahan pusat. Pan teu wudu matih gaya politik urang Acéh jeung urang Papua téh. Pa- maréntah pusat teu weléh nempatkeun urang Acéh jeung urang Papua dina orbit kakawasaan. Kawasna urang Sunda gé kudu wani kitu. Tapi kudu didasaran ku pikiran lain pikeun misahkeun diri ti NKRI, tapi pikeun ditempatkeun dina tempat nu merenah tur mibanda marta- bat luyu jeung tilu kakuatan Ki Sunda sakumaha anu dipedar di awal.*** DI KIWARI MACA BIHARI (12) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Ngimpi Gé Diangir Mandi
  • Manglé 2436 37 51
  • 38 Manglé 2436
  • Manglé 2436 39
  • 40 Manglé 2436
  • Manglé 2436 41 Panganteur Gunung Gelap téh pernahna di daérah Cisompét. Keur nu kungsi ulin ka daerah pakidulan Pameung- peuk mah geus moal bireuk deui, da kaliwatan pisan. Gunung Gelap téh gunung nu geueum, sapanjang jalan téh rembet ku kakayon nu umurna kolot tur loba kacaritakeun sayangna dedemit jeung begal. Kaayaan geueumanana Gunung Gelap geus kawentar kamamana, tara aya nu wani ngaliwat sosoranganan atawa peuting-peu- ting. Geugeumanana horeng aya dongéngna, ieu caritana: T atar Pakidulan kawentar sayangna para jawara. Kasak- tén para jawarana kawenatar kamana-mana, jadi béja sabiwir hiji, élmuna linuhung tur saciduh metu sakecap nyata weruh sadurung winarah téh lain bohong. Karék ngadéngé ngaran jeung ningal dedeganana ogé, geus matak ngaleumpeuhkeun jajaten satruna. Dina jaman baheula béh ditueun baheula, ti Nagara Pameungpeuk aya hiji jawara nu hayang néangan lawan tandingna pikeun ngasah élmu pangaweruh jampe pamakéna. Unggal lembur diasruk, unggal paguron didatangan. Taya maksud manéhna liat ti hayang panggih jeung lawannu satata nu bisa méré kanyeri kamanéhanana. Sabada lembur-lembur sakuliah tatar pakidulan diasruk, éta jawara téh anjog ka lembur Cisompét. Saméméhna ngadéngé béja yén cenah di Cisompét éta aya hiji jawara nu geus ngaraja resi. Sabada nepi ka tempat jawara Cisompét, kalawan teu tata teu titi teu basa teu carita manéhna langsung ngumbar panangtangna. “Naha enya silaing téh hiji jawara kahot di ieu lembur?” Jawara Cisompét ukur imut bari unggut-unggutan. “Montong ngaku jawara pakidu- lan siah mun silaing can nalukeun aing!” kituna téh bari tuluy narajang. Jawara Cisompét henteu ngalawan, tapi tuluy ngagiwar tina panarajang jawara Pameungpeuk, manéhna tuluy nyingkahan panara- jang musuhna nepi ka jauh ti lembur Cisompét, ngahaja ti dituna mah sangkan tarungna henteu di lembur nu baris ngarusak atawa matak ngabarérang ka nu teu tuah teu dosa. Tarungna dibawa ka gunung, nu pernaha rada jauh ti lembur. Sanggeus nepi ka gunung nu eu- weuh padumuk mah jawara Ci- sompét téh henteu nakisan jeung ngagiwaran panajarangna, tapi ngaladénan peureup ku peureupna. Tarungna dua jalma teureuh pakidu- lan ieu lain tarung biasa, kawantu tarung jawara pinunjul nu kasaktén- na sakti mandraguna. Silihtakis, sil- ihréngkas, silihtonjokna nepi ka buburicakan lir gelap nu nguwak- ngawik langit jeung bebeledugan nu ngageumpeurkeun urang lembur Ci- sompét jeung sabudeureun gunung. Langit ceudeum, nu tarung beuki ragot. Teu lila breg hujan, nu tarung lain beuki capé, tapi kacirina kalah beuki campuh. Hujan beuki ngab- greg gedé, hujan angin dordar gelap, dibarengan dordar jeung buburi- cakanana dua jawara nu keur ngadu kasaktén. Buburicakan jeung dordarna nu galungan digunung téh katémbong ku urang lembur mah matak pikaketireun jeung pikasieuneun. Jawara nu galungan nepi ka peuting teu eureun-eureun tarungna, dordar gelapna masih kadéngé nepi ka te- ngah peuting. Isuk-isuk ti gunung tempat galungan téh teu kadéngé jeung katingali dordarna gelap. Lembur- lembur sabudeureunana kapireng sepi jempling pikakeueungeun. Urang lembur taya saurang ogé nu wani ngulampreng ka luar, ngahéphép teu empés-empés. Tapi ti éta gunung taya nu mulang hiji-hiji acan, boh jawara Cisompét boh jawara Pameungpeuk. Urang lembur percaya, éta jawara téh nepi ka ki- wari masih kénéh sok tarung. Nu matak lamun seug pareng hujan angin dordar gelap urang Cisompét jeung sabudeureun gunung éta di- pahing indit atawa ngaliwat ka éta gunung, da cenah dua jawara keur tarung. Nya kulantaran kajadian éta ogé, éta gunung téh nelah jadi Gu- nung Gelap, nu asalna tina dordarna jeung buricakna gelap ti nu keur tarung ngadu jajaten dua jawara teureuh pakidulan Garut. Ku lan- taran jarang kasaba ku jalma ogé, éta gunung jadi sayangna dedemit jeung begal, matak teu anéh mun pareng aya nu ngaliwat kapeutingan di Gunung Gelap kiwari, sok aya kacaritakeunana.*** (Taufik Ra- hayu) Sasakala Gunung Gelap
  • Sultan Abdul Fath Abdul Fattah Gelarna Sultan Ageng Tirtayasa 42 Manglé 2436 M inggu pengker pedaran paran- tos dugi ka nyarioskeun Sultan Maulana Hasanudin anu mi- wuruk Ka putrana, Sultan Maulana Yusuf sangkan ngawangun pamukiman- pamukiman anyar jeung muka pasawa- han anyar katut solokan keur ngaduum caina. Keur tempat panyimpenan cai di- jieun sarupaning bendungan-bendungan saperti Tasikardi. Lian ti keur nyimpen cai, ogé jadi puseur pariwisata anu tug tepi ka kiwari jadi pangjugjugan wisata- wan. Maulana Yusuf nikah ka Ratu Hadi- jah, kagungan putra dua nyaéta Pangéran Muhamad jeung Ratu Winaon. Maulana Yusuf wapat taun 1580 dipendem di Pasarean Gedé deukeut kampung Kasu- nyatan. Maulana Yusuf digentos ku Pangéran Muhamad nu kakara 9 taun yuswana. Saméméh sawawa Maulana Muhamad disuluran heula ku Mangkubumi. Jaman harita Banten dikulibeng ku tembok bata beureum maké munara kajeun henteu luhur pisan. Sabada Maulana déwasa turta nga- jalankeun pamaréntahan, kacida merhatikeunana kana kamekaran agama Islam, Sultan ku anjeun taat ngajalan- keun agama sarta neuleuman élmu agama Islam. Di saban wilayah ngadegkeun masjid-masjid sarta ngalengkepan sarana keur tempat ibadah anu tumaninah. Pikeun ngalegaan wilayah karajaan Banten, Maulana Muhamad naluk- nalukeun karajaan séjén, di antarana Palembang dijorag liwat darat jeung walungan. Jalan darat mah liwat Lam- pung Maulana Muhamad Wapat Daratna nyalusur walungan Musi, keur perang campuh, pasukan Banten keuna ku musibah, di dieu Pangéran Muhamad kabedil tepi ka wapatna. Yuswana harita kakara 20 taun, anom kénéh pisan, Ku kituna serangan ka Palembang kapaksa dieureunkeun, Pangéran Maulana Muhamad dilélér gelar Pangéran Seda ing Palembang, dipendemna gédéngeun makam ramana gigireun masjid agung Banten. Mareng basa Banten ngajorag Palembang, ka palabuan Banten mimiti daratang kapal- kapal Walanda Kusabab Walanda anu adigung adiguna, gedé hulu, atuh puguh pribumi ngarasa keuheul, sebel jeung geuleuh ceuceub ka sémah anu datang teu diondang téh, ku kituna timbul pacogrégan-pacogrégan. Sajeroning kitu kalangan karaton ogé cékcok sabada Sul- tan wapat téh, ari putra makuta Pangéran Mafakir Muhamad Abdul Kadir anu boga hak narima warisan kakawasaan kakara umur 5 bulan. Ku- sabab kitu kapaksa nu ngajalankeun pa- maréntahan Mangkubumi Yudanagara jeung sesepuh katut para gegeden nagara. Ari Mangkubumi ngajalankeun pa- maréntahan téh diaranggapna wijaksana teuing jeung lemah lembut. Loba nu nyebutkeun Mangkubumi téh angkuh, pokona leuwih loba anu ceuceub batan anu ngarojong tepi ka ahirna Mangkubumi ditelasan. Padahal sabenerna Mangkubumi mangsa harita téh keur gegetolna dagang jeung sudagar- sudagar asing turta mawa kamajuan kana perekonomian Banten. Caturkeun putra Sultan anu tiheula hayang jeneng raja ngaganti Sultan Muhamad. Sagancangna kakawasaan Mangkubumi Yudanagara dipasrahkeun ka ibuna Sultan Mafakhir Nyai Gede Wanagiri. Waktu geus jeneng Mangkubumi, Nyai Gede Wanagiri nikah deui ka ménak Banten anu jeneng anu saterusna dijenengkeun Mangkubumi. Tapi dina ngajalankeun pamaréntahan loba cawadeunana. Para gegedén nagara salawasna pasalia pikir, kusabab kitu tindakanana ogé taya pupurianeunana. Carogé Nyai Gede Wanagiri ahirna ditelasan. Nu nelasanana téh Yuda- nagara. Sultan anom ngaraos sedih, da puguh dilain-lain ogé éta téh rama kawalon, carogé ibuna. Nyaksian kaayaan anu saperti kitu para pangéran ngayakeun riungan di antarana aya Pangéran Rana Manggala, Pangéran Upapatih jeung Pangéran Mandalika. Ari Pangéran kulon, Pangéran Singajaya jeung Ratu Bagus Kidul jeung Tubagus Perbangsa henteu hadir. Pangéran Yudanagara ngadeuheus ka Pangéran Kulon, terus unjukan yén sabenerna anu pantes jeneng raja di Banten téh Pangéran Kulon. Nu ngarojongna di antarana baé Pangéran Rangga Loleta, Adipati Keling jeung Pangéran Wira- manggala. Ku jalan kitu di lingkungan karaton Banten aya dua kolompok anu bentrok, balukatna para pangéran getreng. Ku- lantaran kitu jadi aya kajadian silih béga- lan pati nu nyababkeun wapatna Pangéran Panji Jayengtilem ditelasan ku Pangéran Upapatih, Pangéran Singajaya ditelasan ku Ki Subuh gandekna Pangéran Upapatih. Pikeun mancing Pangéran Kulon supaya kaluar, layon Panji Jayeng tilem dipalid- keun ka walungan. Mayitna ditalian kana rakit supaya henteu ragrag ka walungan. Bener kauninga ku Pangéran Kulon, atuh pudidig Sang Pangéran bendu, amarah rongkah, bendu ka lawan-lawana. Tanpa ngemut heula, sang pangéran langsung mepek balad ngajorag karaton, ger perang sadulur kajadian rongkah. Komo sabada sumping Pangéran Ranamang- gala jeung pasukana, atuh nu tarung beuki ragot, ngan kersaning Alloh sum- ping Pangéran Jayakarta jeung pa- sukanna, anu tarung tutunggulan antara sadrérék jeung sadérék heug diélingan yén kitu peta téh salah, sabab dua kolom- pok téh sadulur sami-sami terahing maharaja Banten anu kongas adil pala- marta ceuceub kana peperangan saperti kitu, sumawona perang sadulur nu ngabengkahkeun babarayaan. Nu raribut kayaning Pangéran Kulon, Pangéran Singajaya jeung Tuba- gus Perbangsa henteu ditelasan tapi ku Pangéran Jayakarta dibuang ka Jayakarta salila 4 taun. Sabada karibu- tan di karaton bisa dipareuman ku Pangéran Jayakarta, kalungguhan Mangkubumi dipasrahkeun ka Rana- manggala. Mangkubumi anu anyar loba
  • ngayakeun parobahan jeung terus bebe- nah, nu penting nyalametkeun Banten tina kaancuran nu disababkeun ku pang- gawé urang karaton atawa urang luar karaton pangpangna campur tangan Wa- landa. Ranamanggala dina kalungguhan wali Sultan, tindakana adil palamarta, wijaksana, salawasna monteng kanu bener. Sajeroning kitu, pamaréntahan Jayakata anu kalungguhanana bawahan Banten der ngayakeun gawé bareng jeung Walanda. Hal ieu nimbulkeun kakuciwaan urang Banten. Nya terus Mangkubumi Ranamanggala ngutus Eyang Rungkin ngadeuheus ka Pangéran Jayakarta pikeun maparin pépéling su- paya ulah deukeut jeung Walanda anu loba akal licikna. Hanjakalna niat hadé Banten nimbulkeun kacuriga Pangéran Jayakarta. Kaayaan saperti kitu dimangpaatkeun ku Gupernur Jenderal Yan Pieter Zoon Coen anu mémang keur ngintip kajadian saperti kitu keur ngalaksanakeun pulitik adu domba. Palabuan Banten anu biasa digunakeun ku Walanda keur kagiatan dagangna jeung Jayakarta gancang dipindahkeun ka Jayakarta tepi ka palabuan Banten jadi tiiseun, kagiatan dagangna turun. Banten Nolak Taluk Ka Matara Ku ayana campur tangan Walanda anu mindahkeun bandar dagangna ti Banten ka Jayakarta balukarna Banten jadi mumusuhan jeung VOC. Tapi tetep bandar dagang Banten beuki sepi tina kagiatan perdagangan. Malah VOC malik ceuceub geuleuh ka Banten. Kungsi kajadian kapal Cina anu arék meuli pedes ti Banten ku VOC dipaksa kudu dipulangkeun deui . Mangkubumi Ranangmanggala protes, tapi teu didéngé, VOC tetep supaya kapal China dipulangkeun ka nagarana, lamun nolak, arék dilelepkeun ka jero laut jeung VOC. Januari 18 .1624 Pangéran Arya Ranamanggala ngecagkeun kalungguhan Mangkubumi lantaran teu damangan baé. Dipasrahkeun ka Sultan Abdulah Mafakir Kadir nu geus dewasa geus man- jing nyekel kalungguhan Sultan. Abdulah Mafakir, teu kudu diwakilan deui ku Mangkubumi. Tapi sanajan geus mundur, Ranamanggala tetep sok dipénta pamanggihna upama aya masalah, Sultan masih merelukeun Ranamanggala keur jadi panasehat utama. Awal pamaréntahan Abdul Mafakir dicirian ku timbulna bentrokan-ben- trokan di kalangan pamaréntahan, pangpangna anu ngabaud masalah per- niagaan , pangpangna monopoli perdaga- ngan. Tepi ka kungsi kajadian perang tanding ,tapi Banten unggul. Sajeroning kitu kajadian ogé bentrokan antara Ban- ten jeung Cirebon. Padalna Cirebon keur aya diantara dua karajaan, nyaéta Banten jeung Mataram. Cirebon ménta supaya Banten daék jadi bawahan Mataram, tangtu baé Banten nolak. Banten ngarasa héran, kapan Banten jeung Cirebon téh dulur sakaruhun, sami-sami rundatan Prabu Sri Baduga Maharaja, tapi naha biluk ka Mataram? Banten tetep nolak lantaran ngarasa kuat sanajan henteu dibantuan ku Maya- tam atawa ku sing saha baé. Cirebon terus dipangaruhan ku Kumpeni Walanda su- paya ulah méré haté ka Banten, malah kudu dilawan. Bakat ku terus dipangaru- han goréng. ahirna Cirebon ngarurug Banten anu percaya diri. Kajadian perang antara Cirebon jeung Banten ieu disarebut “Pagarage” ( Kajadian Kacirebonan). Sultan Ageng Tirtayasa Tanggal 10 Maret 1961 Sultan Abdul Mafakir Mahmud Abdul Kadir wapat, diganti ku putuna nyaéta Pangéran Adi- pati Anom Surya. Putra Sultan Ma’ali Achmad (putrana Sultan Mafakir jeung Ratu Martakusumah). Pangéran Adipati Anom Surya gelarna Sultan Abdul Fath Abdul Fattah. Sultan Abdul Fath kacida ceceubna ka penjajah Walanda. Remen ngajorag Walanda maké cara perang gerilya. Kungsi ngagerilya di daérah Angke Jayakarta. Malah saméméh nga- jorag Jayakarta, Sultan Fath ngagempur heula ti daérah Angke, Walanda ripuh hantem-hanteman digerilya jiga kitu mah. Nya terus ngolo, lamun ngeureu- nan ngagerilya terus daék gawé bareng jeung Walanda, arék dibéré hadiah cenah. Tapi Sultan terah Banten téh nolak, teu butuh saurna téh, butuh sotéh nagara anu merdeka ti penjajah. Sultan Abdul Fath tétéla lain ahli strategi peperangan wungkul, tapi ogé kacida merhatikeunana kana pendidikan agama Islam. Di Komplek Masjid Agung Banten digelar madrasah, nga- datangkeun guruna ogé ti Aceh jeung Makasar Sultan miharep jaga bakal lahir para pamingpin anu taat kana agama, anu masagi dina élmuna. Nu penting nyaah turta béla ka Banten. Sultan ngangkat putra cikalna nyaéta Sultan Haji jadi Mangkubumi kadua dina struktur pamaréntahan , ngarangkep jadi putra makuta. Tugas putra makuta nyaéta nga- jalankeun sagala rupa pancén di jero karaton, Ari urusan luar karaton mah di- jalankeun ku Sultan. Pikeun nohagaan kaamanan daérah pangpangna daérah Angke Tangerang, Abdul Fath nyokot daérah Tirtayasa teu jauh ti karaton Surosowan da maksudna ogé pikeun gampangna lamun ngontrol karaton Surosowan. Ari Sultan Haji sipatna hengker, gampang dipangaruhan ku nu lian, tepika Walanda mah gancang ngamangpaatkeun kalemahan putra cikal Sultan anu hengker ieu. Sultan Haji diadu domba jeung ramana nyaéta Sul- tan Abdul Fath. Sipat leuleuy Sultan Haji ka Walanda, henteu mangaruhan ka ramana anu tetep geuleuh ceuceub ka penjajah nu dianggapna doim ieu. Waktu kapal-kapal Banten ditahan ku Walanda terusna nahoda jeung awak kapal dituding perompak atawa bajak laut, Sultan Abdul Fath énggal mepek balad, nyusun kakuatan pikeun ngalab- rak Walanda. anu henteu ngagugu kana pamundut Sultan supaya Kapal Banten dibebaskeun. Sultan bener-bener amarah langsung ngawewegan angkatan perangna, dicandak ti Tanahara, Pntang, Tirtayasa, Caringin jeung sabudeureun- ana, Sultan meureup buleud nangtang perang ka Walanda. Sang putra Sultan Haji nyebutkeun yén tindakan ramana téh gagabah, tanpa musawarah, ramana dijejeleh bébéakan bari meunangkeun Walanda. Sultan Abdul Fath bendu ngagugudug ka putra anu hianat, karaton Surosiowan dijorag, tapi kacida kagéteunana barang kauninga yén putrana tétéla nangtayungan Wa- landa. Dibantuan ku pasukan Sultan Haji, Walanda ayeuna anu ngajorag Surosowan téh , pasukan Walanda dipingpin ku Kapten Franqois Tack jeung Kapten Hartsincia. Pasukan Sultan Abdul Fath bisa dilumpuhkeun, sésa pasukan mundur ka Kademangan jeung Tanahara, tapi Tanahara bisa di- rebut ku Walanda. Sultan kacida han- jelu manah sabab Tanahara téh anu kacida dijagana supaya henteu bisa di- ranjah musuh. Pasukan Walanda anu ngarebut Tanahara dipingpin ku Kapten Jonker. Sabada sawatara daérah direbut Wa- landa, Sultan Abdul Fath maréntah ka pasukana anu nyésa supaya mundur ka Keranggan. Kademangan diduruk su- paya henteu terus dicicingan ku Walanda. Bumi Sultan ku anjeun di Tirtayasa diduruk, kajadian ieu narik simpati masarakat bari jeung ngarasa sedih Sul- tan tepi ka téga ngorbankeun bumina ku anjeun. Tina kajadian heroik ieu Sultan Abdul Fath dilélér gelar Sultan Ageng Tirtayasa. **Pergerakan Pembangunan Islam di Banten / Dipdikparbud Banten/ HRS** Hanca Manglé 2436 43
  • 44 Manglé 2436
  • Manglé 2436 45
  • T uh di ditu, di suku gunung antara Manglayang jeung Gunung Kareumbi, aya tempat nu kiwari jadi pangjugjugan. Di dinya, tutuwuhan mangsa baheula nu kiwari kari dongengna, kasaksén deui. Sasatoan nu birat balukar alamna digunasika manusa, daratang deui. Bajing, careuh, heulang, jeung sajabana nu kungsi sirna ti éta tempat daratang deui bumetah deui di wewengkon Pangjugjugan. Wisata Alam Pangjugjugan manjangkeun lalakon. Eta tempat téh perenahna di Kampung Anjun, Desa Cilembu, Kacamatan Pamulihan, Kabupaten Sumedang Jawa Barat. “Desa Cilembu nu sohor lantaran huina, ayeuna langkung dipiwanoh margi aya tempat Wisata Alam Pangjugjugan,” ceuk Koko, Kepala Desa Cilembu sawatara waktu ka tukang. Lembur Panineungan Pangjugjugan, mémang tempat wisata alam. Ngandelkeun éndahna jeung suburna alam tatar Parahiya- ngan. Ku karep jeung tarékah pihak- pihak nu nyaah jeung mitineung alam, gambaran éndah jeung suburna tatar Sunda téh tembong deui, ngajangélék deui, lain ukur dongéng nu kabaca dina carita-carita mangsa ka tukang. “Ngalangkungan tarékah Pa Haji Djad- jat, Kampung Anjun sohor, janten tem- pat pangjugjugan,” ceuk Adé Rukmana, warga Kampung Anjun nu ogé ketua RT di éta tempat. Saha ari Adjat téh? Taya lian ti H. Djadjat Suhardja, alumnus Biologi ITB nu neundeun katineung kana alam 47 H. Djadjat Suhardja, miara alam nyaah ka lingkungan Desy Idayanti, ngawanohkeun kapunjulan Pangjugjugan Endahna Tatar Sunda loba nu ukur kari dongéngna. Leuweung lenglang, gunung dugul, talaga saat walungan kasaeur runtah. Tapi, teu kitu kabeh, da aya kénéh nu engeuh kana pentingna miara alam. Tah, di mana éta téh? Naon waé unggulna éta tempat téh? Wisata Alam Pangjugjugan, jawabanana. *** WisataAlamPangjugjugan SésaKaéndahanTatarParahiyangan
  • 48 Manglé 2436 tatar Sunda. “Bawiraos kedah aya atuh sacangkéwok mah gambaran Priangan Si Jelita téh,” ceuk H. Djadjat Suhardja nu ‘ngageugeuh’ pangjugjugan, waktu ngobrol bari asruk-asrukan di ‘leu- weung’ pangjugjugan nu pinuh ku rupa-rupa tutuwuhan. Kanyaah H. Djadjat kana alam, medalkeun karepna dina prak- prakanana. Di tengah-tengah sabagian jalma boga karep jeung kahayang miara lingkungan ukur semet lalambe, H. Djadjat mah, langsung jeung prakna. “Alam téh upami dipiara tangtos janten cukang lantarana karaharjaan kanggo balarea,” pokna. Tina nyaah kana lingkungan, alam ge ‘mikanyaah’ ka manusa. Kitu téh, karasa pisan ku nu dumuk lebakeun tempat wisata Pangjugjugan ge. “Ka- pungkur mah, usum halodo téh tigerat pisan ku cai, ayeuna mah, alhamdu- lillah sumur-sumur ge caraian deui,” ceuk Ade Komarudin basa nganteur Magle aprak-aprakan di Pangjugjugan. Loba nu kasaksen di dinya teh, kaasup ngemploh hejona kebon hui nirkum, hui has Cilembu nu sohor ka jauhna. Pilihan nu ‘ngageugeuh’ Pang- jugjugan, apaleun pisan, mun leuweung kaian, caina ge curcor, lebak ge caian. Nya kitu pisan nu dipetakeun ku Ir. H. Djadjat Suhardja ge. Mambrih lembur teu kakurangan cai, tarekahna téh miara leuweung nu aya tonggoheun lembur. Tarekah kitu, di antarana, apan ngahaja H. Djadjat gé ngajak warga melak awi di leuweung. Sanggeus leuweung awian deui, cai gé cur-cor deui. “Mangpaat sanésna, warga gé jan- tén langkung sadar kana pentingna miara alam,” ceuk Adé Rukmana, paga- we Pangjugjugan nu oge RT di eta tem- pat. Tutuwuhan mawa barokah. Cihujan nu ngembrat gunung ahirna mah, di- serep ku akar-akar tutuwuhan. Ku cara kitu, ngocorna cai ka lebak gé jadi mayeng. Cur-corna cai kokocoran nu asalna ti tonggoh, ahirna mah sumebar ka mana-mana, nyimpang ka imah- imah, bumetah di lebak-lebak, ngemrat akar-akar tutuwuhan. Pihak nu ngokolakeun Pangjug- jugan, sadar pisan miara lingkungan téh kudu dumasar kana ‘kahayang’ alam. Apan, masing-masing ‘pihak’ silih untungkeun. Ku lantaran kitu, dina melak jeung miara tutuwuhan gé H. Djadjat mah, teu ngan ukur ngalap mangpaat keur manusa, tapi deuih Sacangkewok sesa endahna Parahiyangan Alam, barokah keur balarea Pangjugjugan tempat mekarkeun tutuwuhan jeung ingon-ingon
  • Manglé 2436 49 keur sasatoan nu biasa bumetah di alam. Ku lantaran kitu manuk-manuk laleutik sabangsaning piit bondol, ma- nyar, nyarayang deui. Atuh, kitu deui heulang nu kungsi pundung lantaran katundung, baralik deui, lantaran aya hakaneun! Mun sasatoan bumetah deui, tutu- wuhan gé ‘ngariung deui’. Di Pangjugjugan, bisa deui nyakseni kupa, jamblang, huni, bihbul, lobi-lobi, kepel, sempur, rukem, gandaria, harendong, jeung sajabana. Atuh, sabangsaning kekembangan gé jadi hiasan nu nyam- pak di saban tempat. Pangjugjugan, legana dua puluh lima héktar. Mangpaatna rupa-rupa, lian ti jadi ‘laboratorium’ tutuwuhan jeung sasatoan, ogé ahirna mah jadi daya pangirut keur nu mitineung éndahna alam. Ka dinya gé kitu, loba nu datang, lain waé nu deukeut tapi ogé nu asalna ti jauhna, ti luar Bandung ogé ti luareun Jawa Barat. Upama éta tempat jadi kajojo, teu sing anéh. Lantaran loba jugjugeunana. Nu hayang ngararasakeun deui kaola- han hasil tatanén, kari mesen, da saperti karédok, lalab-lalaban, jeung sayur-sayuran gé sadia. Bahanna, kari metik ti alam sabudeureunana. Atuh, mun hayang inum- inuman nu ogé sadia. Kari milih, jus sirsak, straberi, jeung sajabana. Atuh, mun hayang bungbuahan sapérti jeruk Garut, manggu, buah, jeung sajabana, kari metik! “Meh sagala rupi tutuwuhan boh sayur-sayuran, bungbuahan, ogé tutuwuhan sanesna has tatar Sunda tiasa kasaksén di eta ieu tempat deui,” ceuk H. Djadjat bari nuduh- nuduhkeun sabagian tatangkalan nu kaasup geus langka kasaksén ayeuna. Di Pangjugjugan, hasil tatanén jeung hasil ingon- ingon, diolah jadi industri ‘rumah makanan dan minu- man’. “Tapi, tantos upami di- olah gé ngalangkungan cara anu bénten,” ceuk Desy Idayanti, alumni IPB nu ngokolakeun éta tempat. Cara ngokolakeun alam kawas kitu, mawa barokah. Mangpaatna, lain ukur keur pihak-pihak nu ngurus éta tempat tapi deuih keur warga sabudeureunana. Konsép wisata alam, jadi cukang lantaran warga sabudeureunnana gé ngararasakeun mangpaatna. Geus puguh nu jadi tanaga gawé di lingkungan éta tempat mah, tapi deuih keur pihak-pihak séjén nu teu sacara langsung ilubiung di dinya. “Seueur nu sumping ka dieu, hartosna ogé janten pamuka lawang usaha kanggo urang dieu,” ceuk Ade. Di mana atuh Pangjugjugan téh? Mun muruna ti Bandung, bisa ngaliwatan tol Cileunyi, bisa ngaliwat ka Rancaékék, terus mengkol ka Jalan Parakan Muncang, terus maju nepi ka parapatan Warung Kawat. Di dinya gé aya Plang Pangjugjugan nu perenahna kencaeun jalan. Atuh, mun ngaliwat ka jalan séjén, kaluar ti tol Cileunyi téh bisa terus muru ka Tanjungsari. Ti dinya masih kénéh neruskeun lalampahan nu muru ka Sumedang, saterusna bisa anjog wéh ka parapatan warung Kawat. Di dinya bakal katingali Plang pangjugjugan nu perenahna katuhueun jalan, ti dinya neruskeun lalampahan kira- kira dua kilo méter. Mun, disorang ti Bandung, bisa nepi ka dinya téh cukup ku waktu sajam nepi ka sajam satengah (upama lancar mah). Lalakon Panjang Pangjugjugan teu bisa raket tumali- na jeung lalampahan panjang kahiru- pan H. Djadjat Suhardja. Ieu urang Bandung lulusan Biologi ITB téh, ti baréto kénéh boga angen-angen raket jeung alam. “Malih aya kahoyong upami gaduh rorompok gé hoyong di leuweung,” pokna nyoréang mangsa ka tukang. Kahayangna kitu téh, taun 1980-an. Bisa jadi cenah, lantaran élmu nu pungsina gé tumali jeung kahirupan, tutuwuhan jeung sasatoan. Dina sajeroning ngulik élmu tutuwuhan jeung sasatoan, apan remen ngadéngé, cenah, tatar Sunda téh éndah jeung subur kacida. Tapi, dongéng nu nepi kana pangdéngéna téh remen patojaiah jeung kanyataan. Apan, buktina mah padumukan gé teu sing matak tingtrim, lantaran lingkungan alam geus ngala- man rupa-rupa pangrobéda manusa. Basa H. Djadjat sina daptar ka pausahaan Perkebunan ku emangna, kalayan dibéré ‘ketebelece’ atoh kacida, lantaran hayang téa cekel gawé nu raket tumalina jeung tutuwuhan. Ngan, ka- hayangna téh teu kabiruyungan ku milik, lantaran éta PT téh geus narima jalma sejen. “Harita mah, memang ku- ciwa!” pokna mesem. Saterusna, horeng ‘kagagalan’ mangsa ka tukang teh mawa barokah. H. Djadjat kiwari,sadar pisan, nu diangen-angen ku dirina can tangtu laksana. Tapi, lain hartina gagal pamaksudan. “Mung, Alloh mah Mahauninga, nu karaosna gagal téh, horéng janten cukang lantaran tiasa ngalalakon dina widang sanes,” pokna. Lembur Pangjugjugan, sohor ka jauhna. Jadi tempat panyabaan keur rupa-rupa kapentingan. Di dinya, bisa nyenangkeun haté, biasa jadi tempat atikan, jeung sajaba- na. Ngan, najan jadi pangjugjugan, pihak nu ngokolakeun éta tempat gé teu poho ka lingkungan nu pangdeukeutna. Urang dinya, urang Anjun bisa ngararasakeun mangpaatna. *** (Ensa/Nay)
  • ”Hh hh …, hduh phunten, A!” ”Ndék ka mana, Cid mani sese- leké?” ”Bhadé kha pawon hA.” ”Ku naon mani rénghap-ranjug kitu?” ”Hentheu Encid mah rénghap- rénghap wungkul, A chaphé. Badé ngaleueut heula ah manawi aya cai entéh manis di pawon.” ”Aya tuh caina dina émbér, entéh- na di warung Kang Ujang Sulaémi, ha ha haah …, manisna mah néwak ucing Kang Rohimid wé anu bikang pan si manis lin ngaranna téh …? Ha ha haaah.” ”Aa mah meni teu aya kanyaah ka Encid téh! Kumaha upami Encid ka- turelengan séépeun napas?!” ”Hé hé teu kukumaha manéh ka- paéhan mah ngajongkéng wé teu usik- usik.” ”Heuh kaduhung teu ka bumi Uwa wé nembé téh ah Encid mah!” ”Naha?” ”Di Uwa mah cai entéh manis téh sok sayogi waé saemuk ngajagrag dina méja.” ”Na keur naon mani kudu ku citéh manis waé, Cid?” ”Ih cai entéh manis téh saé pisan kana napas, A! Tah Encid téh ayeuna nuju séépeun napas.” ”Wuah pamohalan, Kencid nu alus keur napas mah hawa, siah, oksigén! Tas dipaké naon atuh napas manéh bet béak sagala?” ”Séép dianggé lumpat nembé téh, A.” ”Lumpat?! Latihan maraton?” ”Sumuhun, sanés.” ”His baku ari geus teu paruguh téh! Heueuh atawa lain?” ”Sumuhun dianggé lumpat nang- ing sanés latihan maraton Encid mah latihan maén catur sareng Si Blék rayi Ceu Mancung.” ”Ceu Sukaénih, Kencid! Kadéngéeun ku jinisna mah sok ngam- bek siah disebut mancung téh da sidik demés manéhna mah.” ”Da Si Blék ogé nyebatna Ceu Man- cung.” ”Heueuh sok wé ari hayang porocol mah, tuh Si Blék ogé unggal nyebut Ceu Mancung unggal dijenggut ku lanceukna nepi buukna porocol kitu téh!” ”Iyy!” ”Lain da di mamana ogé anu lati- han maén catur mah carimekblek, Cid. Ari manéh naha maké jeung lumpat sagala?! Tuh Kang Solihi ogé jeung layanna, Aki Suhanta maraénna téh sok nepi ka pakuranteng ramat lancah kana sirahna bakat ku aranteng paroho kana nanaon.” ”Rupina Kang Solihi sareng Aki Suhanta mah teu aya nu ngaganggu, A.” ”Heueuh bener euweuh da dua- nana ogé pada-pada duda jeung sarua pangsiunan, jaba teu baroga budak leutik.” ”Teu aya hayam deuih panginten.” ”Naon patalina maén catur eujeung hayam?” ”Apan Encid sareng Si Blék nuju latihan maén catur téh nu ngagang- guna hayam, A, mangka nuju mayu- nan turnamén catur érté ieu téh.” ”Iraha?” ”Sasih payun.” ”Aa mah nanyakeun latihan maén caturna iraha sotéh.” ”Tadi tabuh salapan.” ”Dalapan sakitu mah!” ”Da jempol Encid mah géhgéran, A upami nilep hiji, nilep duanana. Tuh.” ”Tuluy?” ”Sumuhun sakieu wé salapan téh, tah!” ”Latihanana, Cid! Tuluy kumaha?” ”Ngaharuleng wé Encid sareng Si Blék téh mayunan papan catur ….” ”Dhhh tong diomongkeun nu kitu mah da Aa ogé nyaho nu maraén catur mah sok tingharuleng!” ”Nyarioskeun naon atuh?” ”Pan maén caturna téh diganggu hayam, kumaha caritana?” ”Ah teu sasauran nanaon, A.” ”Saha?” ”Hayam, ujug-ujug kecok waéh kana pion Encid. Rupina mah pendul pion téh disangka siki jagong wiréh pulasna konéng. Beretek dicandak lumpat, disieuh-sieuh bari dibeberik téh ku Encid sareng Si Blék lumpatna wuwuh tarik, malih sareng ngagarapak sagala hiber ka kebon sampeu Mang Engku.” ”Mangku naon?” ”Mang Engku, A carogé Bi Ros- nasih nu kantos riributan mundut dipirak téa ning.” ”Tuluy kumaha?” ”Teu cios papirak da kabujeng dilelemu ku Ustad Adéng Soma, ’Sing nyaah ka turunan’ saurna …, éh Aa téh naroskeun Mang Engku naroskeun hayam?” ”Ah kumaha manéh wé ngablam- blam kainyah! Da Aa mah teu keur capé tas ngabeberik hayam jeung teu hayang nginum citéh manis.” ”Deuh ngawartosan atuh, A supa- dos teu nyangkolong kana waktos!” *** 50 Manglé 2436 Latihan Maén Catur Ku Budi Riyanto Karung
  • Duit, Oh Duit! Kurang-kurangnaati-atimahniténanduit keretas ayeuna matak cilaka sabab réa nu sarimbag lamun ditingali saliwat mah. Mangkaning pangajina ganjor pisan. Geura,duitsapuluhrébukelirbeureumtéa méh sarimbag jeung saratus rébu, angot lamun ukur nilik kelir atawa angkana mah. Apan angka dina duit mah teu toat kana palanggeran basa Indonésia. Muhun, apan saurpalanggeranmahangkarébuantéhkedah nganggo titik, upamina 10.000, 5.000, 2.000, sanés 10000, 5000, 2000. Abong duit kawasa nya? Duit sarébu pérak deuih nu sok saru jeung duit duapuluh rébu nu ukuranana asa sarua. Geuspuguhdeuiduit palsu mah,matakpicila- kaeun pisan, pangpangna lamun ti peuting. Siganukaalamankusorangansababaraha kali kapalingan ténjo ku pangaji duit nalika ider-ideran balantik leuleutikan ti peuting. Harita téh di Terminal Leuwipanjang, supir angkot nu diuk ngaréndéng jeung ibu- ibu jajan ka kuring. Sabada mulangan, kuring ngingkigdeui.Teukungsililaayanunyalukan. ''Mang, ari artos nu ti pun lanceuk tadi téh sabaraha?'' si ibu téh horéng nu diuk gigireun supir, pamajikanana pastina gé. ''Lima rébu!'' pok téh da enya téténjoan kuring mah sakitu. ''Cik tingali deui da duarébu,'' ceuk si ibu, di- tingali téh enya wé dua rébu. ''Éh, muhun dua rébu manawi téh lima rébu,'' cékéng téh. ''Yeuh, pulanganana, kudu ati-ati Mang!'' ceuk si ibu bari ngasongkeun duit pamulangan ti kuring. Puguh wé kuring nganuhunkeun pisan kana kahadéan si ibu jeung salakina nu bélaan ti ngudag-ngudag malikkeun duit nu lain hakna. Ras kuring gé inget sababaraha minggu ka tukang, sarua deuih ti peuting, harita téh aya budak calo di Gang Ijan jajan. Jajanna dua rébueun. Solongkrong méré duit dua lambar. Pamikirna meureun duit ciples Rp 2.000, jongjon ngawangkong jeung baturna. Ana disidik-sidik ku kuring, duit téh pangaji sawelas rébu. Salambar sapuluh rébu, salambar deui sarébu. Puguh wé matak un- tung mun langsung disakuan téh. Ngan teu hayang kitu peta da moal matak jamuga, dibalikkeun deui wéh. Emh, éta mah juragan préman nganuhunkeunana gé teu sirikna nyembah! Sakali deui mah méhméhan cilaka. Masih di Gang Ijan, aya awéwé jajan, peuting deuih. Jajanna duarébueun. Sangkaan kuring duit téh sapuluh rébu da nu disidik-sidik téh angka enolna anu mani siga sapuluh rébu. Nya di- pulangan ku duit récéh ditungtut diitung. Bari kitu téh kuring dak dumadak malikan deui neges-neges duit ti si awéwé téa da rarasaan téh aya nu nitah kana haté. Ari pék téh bener wé kaliru da duit téh lain sapuluh rébu tapi duarébu. Abong awéwé lieur, nu dagang salah mulangan téh angger wé namprak lain buru- buru ngabéjaan salah. Hadéna wé kuring buru-buru sadar. Duit, oh duit! *** Féndy Sy. Citrawarga, Jln. Cibolérang, Gg. Bagja, Bandung Ngéndong Isuk-isukkénéhgeussaged.Disampeurku Mang Adang, emang kuring. Niat dék mondok di Si Uwa. Disatengahing jalan... “Susuganan wé atuh milik téh alus.” kitu gerendeng Mang Adang bari ngusapan beuteungna. Kuring mah ukur mésem wé ngadéngé kitu téh. Tapi ari dipikir-pikir mah aya benerna ogé. Beuteung kuring gé karasa rada protés ménta eusi. Jigana capé ku lalampahan jauh mapay-mapay lamping. “Yu ahhh... buru leumpangna.” Mang Adang ngarurusuh kuring supaya ngaganca- ngan leumpangna. Kira satengah jam geus nepi ka nu dituju. “Bagéa... jam sabaraha di lembur?” Wa Ijah muka panto. “Enjing-enjing, Wa.” témbal téh. “Lahh... kabeneran... aralus milikna...” ceuk Wa Ijah bari ngasongkeun nangka sanggeus di jarero. “Lumayan tah, tadi ngala dua siki di pasir.” Mang Adang mah kusabab keur lapar pisan, teu basa-basi deui langsung murak nangka. “Ambuingg... meuni seungit kieu...” bari cacamuilan. “Kadé, Mang... pan can emam.” kuring ngawawadianan. “Laaah... kawas ka budak waé ujang mah ka emang téh.” Hengkop atuh sujang.” Wa Ijah nga- sorkeun nyiru eusi nangka. Kuring miluan ngeureut najan asa-asa gé. Teu karasa, bakat ku lapar jeung hanaang, nangka téh béak. Pang-pangana mah ku Mang Adang. “Ari éta hiji deui baé dipurak?” Mang Adang nuduhkeun kana nangka nu hiji deui. “Iihhh... hengkop waé, ngan rada sumogol kénéh nu éta mah.” Wa Ijah ngasongkeun nangka nu hijina deui. “Wioslah...”bariterusmurak.Cacamuilan deui jiga tadi. *** Isuk-isuk kuring hudang. Basa ka cai ngadéngé anu keur humaregung. Kuring ngadedempés, ngadédéngékeun. “Haduuhhh.... Haduuhhh....” sora Mang Adang humaregung. “Ku naon mang?” bari ngetrok panto kamar cai. “Haduuhhh.... ieu...” teu kebat ngomongna. Wa ijah mah ukur nyéréngéh ningali kitu téh bari gogodeg. “Dék teu kitu kumaha atuh, nangka sumogol didahar. Jaba soréna dahar jeung cowél sepi.” Leuh... karunya teuing Si Mamang... Atep Suryana-Malabar Sarung Lesang Bulan puasa taun kamari, pisaminggueun deui ka lebaran, saméméh kuring ‘mudik’ ka lembur, kuring téh dibéré hadiah ku dunu- ngan,baju kokojeung sarung dua.Nu hijimah sarung Cap Padi nu bahanna tina katun, tapi corak jeung warnana téh ngolot. Ari nu hiji deui mah bahanna téh tina nilon atawa tina bahan sintetis anu lésang, ngan pédah corak eujeung warnana ngora atawa cerah, sarta di- sablon maké corak Samarindaan. (nya meureun kasebutna téh sarung samarinda palsu lah). Tapi sok sanajan kitu kuring resep kana éta sarung téh, kusabab warnana nu cerah. Unggal solat ka masigit teu weléh di- papaké waé éta sarung téh. Dina hiji waktu, Magrib harita téh, siga sasari kuring ka masigit rék solat berjamaah. Biasana mah kuring téh tara poho osok maké rangkepan calana pondok atawa kolor. Tapi harita mah éstuning bener-bener poho, ukur make ‘CJ’ wungkul. Datang ka masigit bet teu ku henteu, ku MamaAjengankuring téhdititahngaimaman, ngawedean anjeunna anu nuju karaos nyeri cangkeng cenah! Nya daék teu daék, kuring maju jadi imam. Dina roka’at kahiji mah lancar, euweuh gogoda atawa gangguan nanaon. Tapi dina rokaatkadua,sarungkuringnulésangtéadina palebah beuteung karasa ngendoran, arék udar! Kuring jadi tagiwur, sarta ngarasa paur sok sieun sarung morosot. Kapaksa waé leu- ngeun kénca kuring nahan sarung. Atuh solat ogé jadi teu pati husu deui, da pikiranana inget waé kana sarung nu rék udar. Tapi allham- dulillah, rokaat kadua ogé lancar nepi ka réngsé tahiyat awal. Tapi asup rokaat katilu, waktu kuring cengkat atawa nangtung tas tahiyat awal, sarung kuring téh bener-bener morosot! Ngalumbruk di handap, dina palebah suku! Rikat kuring ngarawél sarung bari cingogo! Jelas wé atuh... solat kuring téh batal! Kuring ngaléos arék ka tukang, bari saméméhna méré heula ‘kode’ atawa ‘isaraha’ kanu aya di tukangeun kuring sangkan ngagenti jadi imam. Kabeneran nu aya di tukangeun téh Mama Ajengan pisan. Nya anjeunna anu jan- ten imam ngagenti kuring. Ari kuring mah harita téh langsung ka luar, arék balik, rék nuluykeun solat di imah! Teu kuat nahan wiwirang! Kadéngé wé baru- dak nu marilu solat berjamaah di jajaran tukang tingcikikik nahan piseurieun. Atuda kabayang, basa sarung kuring morosot téh meureun orat alias ‘buj-buj’ kuring ka mana- mendi!Mangkaningapananharitatéhkuring- na ukur maké ‘CJ’ (alias calana jero) wungkul.*** Garsel, Juli 2011 (mapag sasih Romadon 1432H) Agus B. Irawan Kp. Cisarua RT 02/16 Désa Neglasari Cisompét – Garut Kidul Manglé 2436 51
  • Susuk Lilis: “Nung, manéh pernah nyoba dipasang susuk?” Enung: “Pernah. Dipasang dina biwir jeung dina pipi.” Lilis: “Nyeri henteu?” Enung: “Nya henteu atuh! Da susukna ogé leutik jeung ipis.” Lilis: “Oh kitu? Tapi urang mah hese dipasang susuk téh. Teu bisa asup.” Enung: “Piraku? Susuk naon nu dipasangna?” Lilis: “Susuk katel, tina almu- nium.” Holid A. Gani Komite Sekolah SDN Cihampelas Kota Bandung Pelit Oding jeung pamajikanana rék bulan madu ka Bali. Tilu poé saméméh indit, Oding tatanya heula ka pagawé travel ngeunaan tarip hotél- hotél nu aya di Bali. Oding: “Dupi nu pangaosna lima ratus rébu sawengi, hotél nu kumaha?” Pgw. Travel: “Hotél bintang opat.” Oding: “Upami hotél nu sara- tus rébu sawengi?” Pgw. Travel: “Hotél malati.” Oding: “Wah, ararawis geu- ning. Teu aya nu kirang ti dua puluh rébu, nya.” Pgw. Travel: (Mimiti keuheul) “Nu haratis gé aya Pa, asal kersa wéh.” Oding: (giak naker) “Tah tah geuning… éta hotél nu kumaha?” Pgw. Travel: “Hotél Prodeo!” Holid A. Gani Komite Sekolah SDN Cihampelas Kota Bandung S.Krup (Sarjana Korupsi) Sangkan Indonésia jadi na- gara korup nomer hiji sadunya, Prof. Dr. Kabayan, MH. ngabogaan rencana ngadegkeun hiji pagurol nu ngabogaan ajen skala interna- sional Program Studi Teknik Korupsi (S1). Mata kuliah keahlian nu bakal diajarkeun kamahasiswa diantarana; Pengantar Korupsi, Budaya Korupsi, jeung Prilaku Korup- si, Sistem Manajemen Korup- si, Teknik Pengembangan Korupsi, Teknik Bertahan di Lapas, jeung Kapita Selektra Rekayasa Hukum. Gelar nu bakal dipibanda ku lulu- sanana nyaeta S.Krup (Sar- jana Korupsi). Anapon tempat magang, Kantor Kementrian Keuangan, Kementrian Pen- didikan, BUMN, Kementrian Agama, kantor Pemda jeung kantor DPR/DPRD. Holid A. Gani Komite Sekolah SDN Cihampelas Kota Bandung Ngaran nu Adan Nyai : Apal teu saha ngaran anu sok adan dina TVRI BAN- DUNG? Udin : Teuing atuh teu wawuh uing mah, saha kitu ngaranna? Nyai : Nya Mang SAAT atuh! Udin : Naha beut apal geu- ning? Nyai : Geuning sok aya tulisan kieu SAAT ADAN MAGHRIB UNTUK BANDUNG DAN SEKITARNYA… Herdin Mulyana Jl. Astana Anyar No. 111 Heureuy Adina: “Leres kitu Indonésia téh kalebet nagara Aséan?” Lanceukna: “Nya leres. Kumaha kitu?” Adina: “Geuning hawana mani panas kieu?” Lanceukna: “Naon hubu- nganana kitu nagara Aséan sareng hawa panas?” Adina: “Pédah wé geuning mobil mah di-aséan teh mani tiis.” Renny Rosmawaty Jl. H. Basuki 42 Bandung Boro Atoh Yudi: “Maneh daék jadi peran pengganti adegan panas?” Baban: “Daék pisan! Karesep uing éta mah.” Yudi: “Nyaan?” Baban: “Bener. Nu penting mah duitna téréh cair keur lebaran yeuh.” Yudi: “Tadi aya sutradara nénéangan jalma nu daék merankeun diséblok ku cai panas ngagolak.” Baban: “Ah embung. Sugan téh lain adegan panas kitu.” Ida Farida Jl. Sukarno Hatta KM 14 Bandung Tara Kaliwat Adin: “Kira-kirana pangarang Barakatak sok meunang THR tara?” Adun: “Tara kaliwat atuh.” Adin: “Sabaraha éta téh?” Adun: “Ih ceuk sayah ogé, tara, kaliwat.” Adin: “Maksudna tara dibéré alias kaliwat?”
  • Adun: “Tah geuning ngarti.” Ida Farida Jl. Sukarno Hatta KM 14 Bandung 3 A Pa RW: “Jang, saha ngaran lanceuk Ujang anu lalaki téh?” Budak: “AA.” Pa RW: “Ari Ujang nyebut ka lanceuk téh jadi kumaha atuh?” Budak: “AAA.” Renny Rosmawaty Jl. H. Basuki 42 Bandung Teu Beunghar Waé Ijar: “Bohong ah nu majar- keun cenah lamun daék nyekel terminal matak beung- har téh?” Banu: “Kumaha kitu?” Ijar: “Uing geus tilu poé nyekel terminal teu jadi be- unghar, kalah cangkeul wé jeung panas.” Banu: “Na nyekel naonna kitu?” Ijar: “Nyekel pagerna, nyekel tihang wangunanana.” Banu: “Abong nu keur lieur. Nyekel sotéh lain dicekelan, tapi jadi jeger.” Renny Rosmawaty Jl. H. Basuki 42 Bandung Gara-gara Emen : Geus batal can puasa? Adul : Batal tadi isuk-isuk, gara-gara modol… Emen : Har naha,da modol mah teu ngabatalkeun kana puasa... Adul : Apanan modolna bari ngopi jeung udud.. Emen : Euuhh!!! Herdin Mulyana Jl. Astana Anyar No. 111 Tungtung Nu garering keur ngantay handapeun tihang listrik. Saurang-saurang naék ka listrik. Tapi anéhna mun geus nepi ka luhur sok seuri. Mala- han aya nu ngagak-gak sagala bari tarurun deui. Saurang doktér panasaran…, nya manéhna milu naék kana tihang listrik. Barang nepi ka luhur tihang listrik, aya tulisan kieu: "Tah ieu téh tungtung tihang listrik, mun hayang nyaho mah!!!” si dokter langsung nyakakak… Suryana Jl. Kebon Kopi 111 Cimahi Saliwang Udin : Sabaraha domba anu ieu? T. Domba : Jalu! Udin : Tobbaaatt! mahal ning!!! Muhammad Ridwan Jl. Pecinan 15 Cicalengka Lauk Hias Uni : “mah, nyungkeun artos lah.” Mamah : “Kanggé naon?” Uni : “Badé mésér lauk koki, kanggé hiasan di tengah imah..” Mamah : “Pan akuariumna gé teu gaduh, badé dipelakeun dina naon?” Uni : “Dina galon dispénsér wé, wios da sami aya caian..” Mamah : “Eeuuhh..!!!” Muhammad Ridwan Jl. Pecinan 15 Cicalengka Simalakamah Yeuh jang, buah simalakama téh mun ujang meuli, ujang ku emang di gebug ku kiloan, mun ujang teu meuli, ku emang dihabek ku rancatan! Sok rék milih nu mana? Ha- hahaha… Suryana Jl. Kebon Kopi 111 Cimahi Hadiah Lebaran Kabayan: "Rék méré hadiah lebaran naon keur kami I- teung?" Iteung: "Tenang Kang. Kopéah, sarung, kaméja, sendal, sajadah, jeung sajaba- na geus aya, kumplit!" Kabayan: "Nyaan nyanéh mah hébat Teung. Pamajikan akang yang amat perhatian sama salaki. Cikan, mana kami nénjo?!" Iteung: "Cig wé cokot ku sora- ngan di Pasar Baru!" Féndy Sy. Citrawarga Bandung Wani-wani Dodo : “Kumawani ulin ka dieu siah! Saha manéh?” Ibro : “Tah éta masalahna téh, abdi nyalira teu apal saha ari abdi!” Dodo : Euuuhhh!!” Amelia Cahyati Jl. Cicukang 76 Bandung Hileud Ibro : “Manéh apal hileud cau teu?” Sujang : “Apal, na kumaha kitu?” Ibro : “Nya, syukur wé ari apal mah.. Sujang Olohok… Amelia Cahyati Jl. Cicukang 76 Bandung Otak Icih : “Bapa abdi mah jagoan, pami pidato tara nganggo mic.” Omri : “Bapa uing komo, tara maké teks…” Juju : “Nya jago kénéh bapa abdi atuh! Tara maké otak!!!” Ratnasari N. Jl. CIenteung No. 23 Tasikmalaya Ciga Nyai : “Aa iihhh… dinten ieu mah katingalna imut pisan ciga orok.” Omo : “Masa sich?” Nyai : “Muhun a, ciga orok babi.” Omo : “Anjrit téh...!!!” Ratnasari N. Jl. CIenteung No. 23 Tasikmalaya Ngarah Salsé - "Neda sih hapunten tina samudaya kalepatan, nya Néng!" ceuk si Ogin ka Néng Mia nu geulis manis nu hérang méncrang bari ngasongkeun leungeunna mani nyolongkrong. Kituna téh bari nyipta-nyipta dampal panangan Néng Mia nu lemes siga nu karasa lebaran taun tukang. + "Lebaranna gé teu acan atuh Kang Ogin?" - "Wios ngarah salsé!" Féndy Sy. Citrawarga Bandung Dikurud Dadap: “Déwék mah ari ngali- wat ka astana ti peuting téh sok muringkak bulu punduk euy!” Waru: “Ah, déwék mah moal muringkak euy!” Dadap: “Geuning ludeu- ngan?” Waru: “Henteu ludeungan, da ieu bulu pundukna geus diku- rud!” Hanif Ramdani Jl. Kebon Cengkeh 12 RT 05/10 Banjar – Kab. Bandung Cengkeh Dodi: “To, kumaha carana melak cengkeh di daerah panas?” Toto: “Eta sih gampang, nu hese mah kumaha carana melak cengkeh dina embun- embunan!” Dodi: “Pacul heula tah hulu sia!” Hanif Ramdani Jl. Kebon Cengkeh 12 RT 05/10 Banjar – Kab. Bandung Minyak Dodi: “To, tong loba teuing ngadahar nu loba minyakan, goreng kana beuteung!” Toto: “Naon wae cenah nu ulah didahar téh?” Dodi: “Eta we, kayaning kom- por, dreum, komo tangki mobil mah ulah pisan.” Toto: “Ih... ari nanaon téh si kasebeleun mah!” Hanif Ramdani Jl. Kebon Cengkeh 12 RT 05/10 Banjar – Kab. Bandung Manglé 2436 53
  • 54 Manglé 2436 C oba geura urang ngabandu- ngan sababaraha kajadian mangsa ayeuna. Pulitisi nu dipiharep bakal jadi nagarawan, geuning tayohna mah teu aya tuladeunana. Demi ngahontal kakawasaan, nya sagala rupa cara dilaksanakeun. Etika geus teu di- pake deui. Ieu teh tangtu wae balukar bokbrokna partey pulitik. Nya ahirna lembaga perwakilan rahayat oge, sarua kabawa bok- brokna. Teu semet dinya, eksekutip oge sarua teu eucreugna. Teu kitu kumaha, atuda para pajabat oge apan “maen mata” jeung para wakil rahayat. Katambah deuih, pajabat nagara oge ti mimiti presiden, menteri, gupernur, nepi ka walikota jeung bupati, apan karereanana ti partey pulitik. Saruana lembaga peradilan oge teu eling. Rea hakim jeung jaksa nu sakuduna nanjeurkeun hukum, ari ieu bet ngaruntuhkeun hukum. Ka- pulisian oge rea polah teu benerna. Mun balener mah moal rea koruptor atuh. Mun kitu, jelas lembaga-lembaga nagara urang ayeuna teh keur gering kulantaran dicarekel ku nu garering. Karantina Nu gering tea, geus ilahar, sok dikarantina. Maksudna, supaya kasakit henteu tepa ka nu sehat. Engke sabada cageur kakara bisa gaul deui jeung masarakat. Tah, hal kitu kawasna bisa dilaksanakeun ka lembaga nagara nu ayeuna keur gering. Upamana wae, DPR bisa dikarantina heula, dina harti sababaraha kawenangan- ana dipangkas. Upamana wae teu perlu ulubiung teuing nguruskeun anggaran nepi ka bubuk leutikna. Teu perlu milu milih pajabat nagara saperti Gubernur BI, Kapolri, Hakim Agung jeung nu sejenna. Pasrahkeun wae hal kitu mah ka lembaga ahli nu netral. Naha DPR bakal daekeun? Tetela, sababaraha anggota DPR geus mimiti sadar kana hal kitu, Ahmad Yani ti fraksi PPP kungsi netelakeun, anggota DPR teu perlu nguruskeun anggaran nepika detil, atuh Marzuki Ali , Ketua DPR ti Partey Demokrat, kungsi nandes- keun, nyusun legislasi nepi ka uru- san teknis mah mending digarap ku para ahli wae cenah. Kakara engke lebah aspek pulitisna digarap ku anggota DPR. Mundur Salengkah Dina sababaraha hal, jigana urang perlu mundur salengkah. Demokrasi urang ulah mangprung teuing. Mundur teu salilana goreng, maju oge teu salilana alus. Pemilu upamana, bisa wae dikombinasikeun antara milih lang- sung ku rahayat jeung milih ku anggota lembaga legislatip. Milih Presiden jeung Gupernur bisa lang- sung ku rahayat, tapi milih bupati jeuntg walikota mah bisa wae ku DPRD. Lian ti kitu, pemilu oge waktuna bisa “serentak”. Untungna make cara kitu, beaya pemilu bisa leuwih irit. Tibatan anggaran dihahambur pan mending dipake keur ngaraharjakeun raha- yat? Parna Ngan nyaeta atuh, kasakit tetela geus sakitu parnana. Malah geus nyaliara ka awak sakujurna. Teu karandapan dina widang pulitik wungkul, tapi geus nyaliara ka widang sejenna, sosial, ekonomi, hukum jeung sajabana. Jelas, mun kitu, bangsa urang, dimimitian ku kaom elitena, ayeuna teh keur ngarandapan krisis kabudayaan. Jadi, ngungkulanana oge kudu ku cara nu bisa nyageurkeun bangsa urang tina kri- sis kabudayaan. Kumaha? Ieu garapan sarerea, pang- pangna ku nu ngakukeun dirina kaom cendekiawan- budayawan. *** Karno Kartadibrata. Krisis Kabudayaan?
  • Manglé 2436 55 KA GIGIR: 1.Beubeur 4. Rohangan paragi barangasakan 7. Poé sanggeusna bulan puasa 8. Hadiah 10. Hal anu can/teu katepi ku akal 13. Teu kaharti ku akal 16. Sieun 17. Galuang galéong 18. Tempat patepungna walungan jeung laut 19. Hayam anu jawérna rubak 21. Bagian tina tutuwuhan (bacana ti tukang) 23. Dangong 26. Awak 29. Dahar janari dina bulan puasa 31. Sulaya, béda paham 32. Alus rupa (lalaki) 33. Turunan KA HANDAP: 1. Ngurangan (dahar, tanaga) 2. Anak kuda 3. Wangunan suci umat Islam 4. Gagang pacul 5. Rarangken hareup anu hartina paling 6. Sieun 8. Jalan cileuncang 9. Wakil rayat 11. Ukuran rubak 12. Bagian tina tangkal cau 13. Séké sélér di Irian anu sohor ku ukiranana 14. Lalaki adi kolot urang 15. Sambel anu teu maké tarasi 20. Pesawat ‘tempur’ Rusia 22. Himpunan Pengetahuan Alam 24. Dokumén 25. Kandaraan umum baheula 27. Inuman anu aya alkoholan 28. Sué 29. Boboko gedé 30. Gerak saeutik lalaunan Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No. 1403. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuir dua minggu saparantosna medal. Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1401: 1.Opoh Saripah Jl. Bungur Sari No. 3 Cipaheut - Bandung 2. Anisa Fitri Wulansari SD Pelita 2 Jalan Cipadung Bandung 3. Jeje Jaenudin Karyawan Kebon Binatang Jalan Tamansari Bandung 1403 K U P O N TARUCING CAKRA NO. Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-
  • “Geus mimiti karasa tiiseunana, Lo.” “Mapag lebaran di dayeuh, Mang?” “Enya.” “Kapan geus marudik.” “Marulang ka lemburna séwang- séwangan nyah, Lo?” “Enya, Mang.” “Tétéla teu padet geuning padumuk kota téh, Lo.” “Enya, dina lebaran mah, lantaran kapan padumuk kota téh réréana urang lembur. Daratang ka kota ukur ngadon bubuara, ngadon nyiar rejeki, sarta ngadon ngaheurinan dayeuh.” “Kawas Alo nyah!” “Héhéhé.” “Matak geura mudik kadituh.” “Ké wé geus deukeut pisan ka lebaran, Mang.” “Hih, boga kénéh hanca di dayeuh nyah?” “Lain boga kénéh hanca, Mang.” “Ari kitu?” “Pajejel kénéh di jalanna gé.” “Emh.” “Harérésé deuih meunang kandaraanana ogé.” “Na ari nyampeuk ka lebaran babari nyah meunang kandaraan?” “Susuganan ieu mah. Susuganan deuih batur pikiranana teu sarua jeung uing.” “Mun batur pikiranana sarua jeung Alo?” “Nya angger wé di jalanna pajejel, kandaraanana hésé tur padedet.” “Moal jadi nyah mudik téh mun kitu mah?” “Ah rék maksakeun wé mudik, Mang.” “Rék maksakeun baé, Lo?” “Enya, Mang. Da geus asa jadi kawajiban jeung kabutuhan mudik téh, Mang.” “Emh.” “Taun kali ngumpul ngariung jeung baraya di pilemburan. Da geuning ari lain lebaran mah hésé panggihna.” “Da réa nu ngadon hirup di pangumbaraan nyah, Lo?” “Enya, Mang. Nu ngumbara di kota anu, di provinsi anu, malah aya anu meuntas pulo sagala.” “Karasa haneuteunana pilemburan téh ari lebaran mah nya, Lo?” “Bener, Mang.” “Béda jeung poé-poé biasa.” “Enya, Mang. Tiiseun dina poé-poé biasa mah lembur téh, da jalmana ngadon ngarumbara ka kota, nyiar kipayah.” “Bérés lebaran tiiseun deui di lem- bur téh, malah boa bakal leuwih tiiseun ti saméméhna.” “Har, na bet leuwih tiiseun Mang?” “Kapan ilaharna gé saban bérés lebaran réa urang lembur anu milu ka barayana atawa ka tatanggana anu kawilang suksés, ngadon bubuara ka dayeuh.” “Enya, kitu pisan, Mang.” “Sabalikna jeung kaayaan di Kota, Lo.” “Sabalikna kumaha, Mang?” “Saban bérés lebaran dayeuh beuki padet ku padumuk, ku kaom urban anu terus merul nyiar kahirupan ka dayeuh.” “Padahal di pilemburan ogé teu ku- rang-kurang lahan kahirupan mah, Mang.” “Enya, Lo. Ngan baé jalma tani atawa ternak mah sok remen dianggap teu boga gawé, pangpangna ku barudak lulusan sakolaan.” “Bener, Mang. Da mun tani geus bisa dianggap jadi lahan gawé anu bisa ngahirupan jalma-jalma di pilemburan mah, sigana moal merul teuing ka dayeuh kaom uban téh.” “Enya. Sakalian dina momen lebaran ayeuna, urang neda dihampun- ten ka sadaya kancra mitra Manglé.” “Leres pisan, Mang. ongkoh urang gé sok remen kacalétot ngomongkeun batur.” “Minal aidin walfaidin. Takobalal- lohu mina waminkum.” *** Artos Tabungan Murid 56 Manglé 2436