Mangle 2451

3,283 views
3,065 views

Published on

0 Comments
0 Likes
Statistics
Notes
  • Be the first to comment

  • Be the first to like this

No Downloads
Views
Total views
3,283
On SlideShare
0
From Embeds
0
Number of Embeds
1
Actions
Shares
0
Downloads
19
Comments
0
Likes
0
Embeds 0
No embeds

No notes for slide

Mangle 2451

  1. 1. Ulah Sakadar Nurutan L elang Jabatan, kadieunakeun mah remen jadi kacapangan. Kitu téh, di antaran satutas Joko Widodo (Jokowi), Gubernur DKI, ngayakeun lélang jabatan. Carana, sajumlah jabatan diparebutkeun kalayan ngaliwatan tes. Saperti nu kabandungan sawatara waktu ka tukang, apan jabatan lurah jeung camat gé, ngaliwatan lélang di Batawi mah. Cara jeung gaya Jokowi loba nu nurutan. Ngan, tangtu wé nu tumali jeung jabatan mah ulah sakadar nurutan. Hartina, dina nataharkeun jeung ngagunakeunana kudu bener-bener daria tur pinuh ku balitungan. Mémang, nangtukeun pajabat saperti di DKI Jakarta atawa di Kota Badung, hak prerogatif gupernur atawa walikota. Atuh, upama pajabat ngagunakeun hak, taya salahna. Asal, tujuanan geusan kamaslahatan balaréa. Atuh, si éta pajabat deuih sakuduna leuwih mentingkeun masarakat batan pamingpinna. Mitra, tumali sareng jabatan, dina nomer ieu Manglé ngolongan pamanggih Dr. H. Deden Suhendar, M.Si., Dokotr Administrasi Publik wedalan Universitas Padjadjaran. Ceuk H. Deden, nangtukeun jabatan téh kudu neueul kana tujuan, demi kapentingan palayanan ka masarakat. Ku lantaran kitu, nu dipilih téh, cenah, kudu dumasar kana ‘merit system’ sangkan nu kapilih luyu jeung kekecapan ‘the right men on the right place’ téa. Hartina, éta jabatan téh ditempatan ku jalma nu pangmerenahna. Geusan ngahasilkeun pajabat nu merenah dina tempatna, ceuk H. Deden gumantung kana cara jeung saha nu milihna. Dina milihna ogé kudu ‘obyektif’. Kudu bener-bener nu kapilih téh nu panghadena. Ulah lantaran ‘deuheus’ atawa aya kapentingan nu nyamuni, saperti ‘males budi’.*** PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986 Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69 TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK Bank BNI Cab. A-A No. 24455350 Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN ISSN: 0852-8217 Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN: (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade, 7309720 IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. - facebook: Majalah Sunda Mangle
  2. 2. 20 Srikandi Lain Dewi Panonpoé nu keur sumedeng mentrangan, mawa hanaang jeung bayeungyang nu teu bisa disingkahan deui. Malah di sabudeureun, kebul knalpot tina mobil-mobil nu ngareteyep masih anteng maturan sapangeusi mobil nu harita keur ditumpakan. Teu ngan semet dinya, lampu beureum stopan milu moncorong, mobil ngarengkog eureun dina tengah-tengah keukeupan.... 6 LAPORAN Atlit Mancanagra Ngjajal Umpalan Citarum IMPLIK-IMPLIK Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran sa-Jawa Barat Piala Ida Widawati 2013 ........................................................... 8 PURIDING PURINGKAK Ririwa di Pakemitan Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24 Potret : Reisyan SAJAK S ­ ekar­Manglé ELVIRA Panata Rias & Raksukan: Sanggar Ayu Busana (Galery Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9 Ujung Berung – Bandung Telp. 022 – 70432343 HP: 08122395408 Ti Lebah Maruyung Keur nu nganteur Atép Kurnia .................................... 27 Sabot Nungguan Budak Sakola Nyi Roro ............................................. 26 NU MANEUH Lawang Saketeng ................................. 1 Kaca Tilu ............................................. 3 Munara Cahya ................................... 14 Dongeng Aki Guru ............................ 17 Mimbar Atikan .................................. 21 Gedong Sate ...................................... 28 Mangle Rumaja .................................. 31 Katumbiri .......................................... 36 Nyusur Galur ..................................... 42 Carpon Lucu ..................................... 49 Pangalaman Para Mitra ..................... 50 Ha... Ha... Ha ..................................... 52 Bale Bandung .................................... 54 Tarucing Cakra .................................. 55 Lempa Lempi Lempong .................... 56 BANDUNG-BANDUNG CARITA NYAMBUNG Lelang Jabatan Ulah Ukur Gagayaan ......................................................... 46 CARITA PONDOK Srikandi Lain Dewi Tatang Zaelani Tirtawijaya .............. 18 Tilu Menit Panungtungan Ipung Thaifur Abu Yazid .................... 22 Carita Sarebu Samalem (182) ............................................................. 10 Gogoda Ka Nu Ngarora (20) M.A. Salmun ............................................................. 12 Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (4) HD. Bastaman ............................................................. 48
  3. 3. Adiluhung W aktu muka Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Piala Ida Widawati 2013 di STSI Bandung, Ibu Otje Djungdjunan nétélakeun yén ku bangsa deungeun mah Tembang Sunda téh diaku mangrupa karya seni adiluhung. Dina Kamus Besar Bahasa Indonésia, adiluhung téh hartina tinggi mutunya. Lain Ibu Popong wungkul anu nyebutkeun kitu téh. Geus réa nu séjénna gé anu nyarita kitu. Malah Mh Rustandi Kartakusuma mah leuwih tandes, Tembang Sunda mah matak kaluar cimata. Lamun teu nepi ka ceurik, éta mah can jadi urang Sunda. Tapi umumna mah kitu, ngan semet dumasar kana pamanggih bangsa batur baé. Tembang Sunda téh kaasup salasahiji seni Sunda anu mindeng diondang jeung ditanggap di nagara batur. Tur umumna tara aya nu nguciwakeun. Suksés baé. Atuh bangsa batur anu diajar jeung naliti Tembang Sunda ogé geus aya sababaraha urang. Padahal batur mah nyarita kituna téh jeung enyana deuih. Pintonan Tembang Sunda di nagara batur mah salawasna payu. Hartina, nu lalajona loba, aprésiatif jeung lalajona téh bari mayar. Mahal deuih mayarna ogé da anu baralik manggung di ditu datangna deui ka urang téh sok ngagémbol. Ari di urangna sorangan kumaha? Kungsi babalagonjangan ka sababaraha urang, lamun ngayakeun pintonan Tembang Sunda tur nu lalajona kudu mayar, kira-kirana Manglé 2451 bakal loba nu datangna? Taya saurang gé anu kalawan tandes nyebutkeun bakal bisa, bakal loba nu lalajona. Jeung mayarna gé mahal deuih. Sigana, pangna kitu téh lantaran tacan dicoba. Gugum Gumbira nyebutkeun kungsi mintonkeun jaipongan di hotél Homann Bandung bari nu lalajona kudu mayar. Cenah nu lalajo téh pinuh-pinuh baé. Tapi éta téh kajadianana sababaraha puluh taun ka tukang. Di urang mah tayohna lalajo pintonan kasenian Sunda bari mayar téh tacan lumrah. Mun aya pintonan seni Sunda, nu ngalalajoanana téh biasana mah ngahaja diondang. Malah teu kurang-kurang anu di panglalajoanana téh bari disuguhan sagala. Tapi, boa-boa kaayeunakeun baé kituna téh. Da béh ditu béh ditu mah, mun lalajo sandiwara di Sri Murni upamana, apan sok mayar. Lamun bener kitu naon sababna? Padahal urang Sunda ayeuna anu baleunghar pasti leuwih loba batan opat puluh taun ka tukang. Moal kitu pangna hayang sarwa gratis baé téh sabada urang saréréa wanoh ka nu ngaranna proposal? Apan ayana kabiasaan ngajukeun proposal lamun para seniman aya kahayang téh kakara kadieunakeun. Sri Murni anu gedongna di Pasar Kosambi bisa dipastikeun tacan wawuheun ka nu ngaranna proposal. Kabisaan ngajukeun proposal mah minangka produk tina mangsana pangwangunan nasional anu maceuh dina mangsa Orde Baru. Ngan sigana jadi silih tempuh- keun. Sri Murni jeung kasenian Sunda séjénna lus-les laleungitan lantaran nu lalajona bari nyaeutikan. Ngajaga supaya ulah tumpur, nya dibantuan sina hirup deui ku ayana proposal téa. Anu ngabayuanana pamaréntah. Suwargina Kang Apung SW anu kungsi kedal téh. Saurna, Akang mah sakapeung sok sirik ka Darso. Lamun Akang saparakanca hayang ngayakeun pasanggiri Tembang Sunda, kakara bisa jalan lamun proposalna geus disatujuan. Ari Darso mah teu kitu. Laluasa bisa manggung henteu gumantung kana proposal. Lamun geus nepi ka dinya, biasana losna téh sok jadi kana pangaresep. Kasenian bakal terus hirup lamun anu mikaresepna loba kénéh. Ari Tembang Sunda apan loba anu mikaresepna, lin? Tangtu bakal terus kapapanjangan. Béda atuda. Tembang Sunda mah ulah disaruakeun. Apan disarebutna ogé adiluhung. Jadi ras deui ka bangsa deungeun téa. Apan dina sakalina nyebut adiluhung téh bari jeung prakna. Hartina, maranéhna mah resep ngalalajoanana jeung resep kana mayarna. Mangkaning mayarna gé mahal deuih. Lamun urang agul pédah ceuk batur Tembang Sunda téh adiluhung, kuduna urang gé nurutan maranéhanana. Resep lalajona téh jeung resep mayarna deuih. Lamun urang ngan semet agul-agul nyebut adiluhung kana Tembang Sunda bari lalajona embung mayar, sigana ngaranna téh nya munapék téa. AM 3
  4. 4. Ngimpi! Wakil Presiden Teureuh Sunda Sampurasun! Ais Pangampih Mangle, sawatara ka tukang pernah rame, cenah inohong Sunda boga kahayang, nyaeta Wakil Presiden kudu urang Sunda. Tah, kahayang eta nu harita heuras ditepikeunana teh, beuki dieu mah beuki melempem. Malahan, lamun harita mah atas nama lembaga bada jeung pamarentah, ayeuna mah nu kakuping teh saukur pribadi-pribadina. Keur Simkuring mah, harita reueus kacida. Kahayang masarakat Sunda dirojong ku pamarentah jeung para inohongna. Ngan kadieunakeun kahayang kitu, sapertina mustahil. Soalna, cek simkuring mah, dug ces! Ari aya kumpulan wae, hareuras. Tapi waktu baralik ka pagawean atawa ka kandang parteyna mah, saperti nu poho. Disebut aranjeunna poho atawa ngahaja poho, gampang dibuktikeunana, nyaeta, nepi ka ayeu na can aya deklarasi para ketuaketua partey wilayah di Jawa Barat, masalah pentingna wakil presiden ti Sunda. Hartina, maranehna sieun ku pusat. Padahal, keur simkuring mah, penting pisan para ketua partey wilayah di Jawa Barat sapuk kana penting na wakil presiden teureuh Sunda. Anu ngarojong jeung anu siap dirojong ti tatar 4 Sunda, memang pernah aya hawar-hawar, saperti Moh. Jumhur Hidayat. Ngan, nyakitu tea, asana kolot-kolot Sunda jiga nu arera atawa satengahsatengah. Henteu katingal bener-bener ngadukungna. Contona wae, Paguyuban Pasundan can wani ngajeblagkeun spanduk gede, upamana di tempat asup tol, nu unina yen Jumhur; Urang Sunda, Pantes jadi Wakil Presiden 2014, jeung conto-conto sejenna. Lain wae Jumhur Hidayat, tapi oge tokoh sejenna, saperti H. Ahmad Heryawan. Ngan, nyakitu deui, ti ayeuna teu tembong persiapanana. Jelas, upama teu tembong ti ayeuna, hartina teu aya persiapanana, geus pasti, wacana wakil presiden urang Sunda saukur kahayang wungkul, saukur bisa ngomong wungkul, saukur daek ngabudah jeung sabangsana. Saha nu pantes keur ngarumuskeun lengkahlengkah muru wakil presiden Sunda? Nu jelas, pamarentah Jawa Barat jeung Paguyuban Pasundan kudu naratas deui. Kakara lembaga atawa paguyuban sejenna nyarusul. Naha bakal bisa? Lamun teu bisa, mustahil, wakil presiden ti Sunda bakal tinekanan. Ulah ngimpi, upama saukur boga kahayang wungkul mah. Tah, sakitu surat ieu kasanggakeun ka Mangle. Mudah-mudahan tiasa dimuat. Hatur nuhun. Wassalam. Mang Abdul Ti Cileunyi Bandung rangan teh meureun, lantaran kurang perhatian ti urang Sunda sorangan. Buktina, naha nyaah ka Sunda? Naha tos langganan Mang le? Mangga uih deui ka diri sewang- Reueus ka Majalah Mangle Sampurasun! Damang Nyi Mangle? Duh sono pisan ka nu geulis teh. Ieu mah ho yong nepikeun ka sono wae ka Mangle. Simku ring mah reueus pisan da ka Mangle teh. Padahal ayeuna teh jaman globali sasi, tapi aya ku bisa, bet Mangle masih keneh tiasa medal. Aslina reueus jeung muji pisan. Ngagawean produk lokal keur kiwari mah, henteu gampang. Malahan lolobana mah pada ninggal keun. Lantaran, cek maranehna lain garapan pikahareu peun nu terus maju. Tapi, cek simkuring mah henteu kitu, Mangle angger kudu terus miara basa Sunda, masa keur meungkeutkeun rasa duduluran. Keur maheutkeun rasa silih mikanyaah. Lantaran deuih, simkuring mah yakin, nagara ieu ngahijina teh lantaran ayana beda-beda suku jeung baha sa. Ku kituna, terus terang ka Mangle reueus kacida. Mugi teras medal. Anapon kadieunakeun, eusina beuki ngurangan, meureun nu salah mah urang sadayana wae. Lantaran, ngu- sewangan. Nuhun Nyi Mangle, cover-coverna beuki geulis. Wassalam. Ibu Hj. Mien Ti Cihaurbeuti Ciamis Ngalereskeun Assalamualaikum wr, wb Nengetan artikel Tilu Album Imas Permas dina Manglé No. 2442 wedalan 19 — 25 Séptémber 2013 kaca 26 dugi ka 28, dina éta seratan nami simkuring diserat UPIN PRAWIRASUTISNA (Sababaraha kali diserat kitu, hartosna sanés salah citak). Anu sakedahna UKIN PRAWIRASUTISNA. Sim kuring sanés pejabat ogé sanés jalmi penting. Nanging kahartos rupina saupami ngaran téh kanggo tiap jalmi ngagaduhan ajén husus keur dirina. Sumawonna lepat saaksara bakal lepat hartosna. Mugi janten uninga ka sadaya nu aya patulapatalina sareng seratan kasebat. Hatur nuhun. Wassalam pun, Ukin Prawirasutisna Manglé 2451
  5. 5. DI KIWARI MACA BIHARI (26) Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas) Monyét Dibéré Séséngkéd K AAYAAN sarupa kieu, tangtu waé dina harti nu teu hadé, nyokona téh dina sistim. Ku lantaran kitu, pikeun ngabebenah kaayaan téh nu kudu pangheulana dirobah téh nyaéta sistimna. Kitu cék pamanggih para ahli. Sistim naon? Sakabéh sistim cenah. Sistim kahirupan. Sistim pamaréntahan. Sistim pamaréntahan di urang kiwari, héngkér teuing. Ku lantaran héngkér teuing, pamaréntahan téh remen éléh ku nu diparéntahna. Padahal di mana-mana baé ogé pamaréntah mah teu kaci éléh. Kudu salawasna meunang. Pangna éléh téh bisa jadi ku lantaran ngarasa salah. Apan pancén pamaréntah téh di mamana ogé ngaraharjakeun rahayat. Tapi apan di urang henteu kitu. Nu nyangking kalungguhan di pamaréntahan tara ieuh mikiran rahayat. Teu kasiwer balas mikiran kapentingan dirina sorangan. Mahabuna korupsi di urang nya ku lantaran sistimna nu salah. Sistimna méré teuing lolongkrang ka sugri nu aya dina éta sistim pikeun basilat. Sistimna ngabibita ka sugri nu aya dina éta sistim pikeun curaling. Teu mustahil jalma hadé gé ari nyampak aya lolongkrang pikeun curaling mah jaadi kabawakeun. Komo pikeun jalma-jalma nu kasang-tukangna geus aya ulat basilat. Pikeun jalma-jalma samodél kitu mah teu bina ti “monyét dibéré séséngkéd”. Teu nyampak gé séséngkéd téh ditéangan apan ku monyét mah. Kari-kai, ieu disampakkeun pisan. Pikeun jalma basilat mah, lolongkrang keur korupsi téh henteu weléh ditéangan. Ari ieu nyampak Manglé 2451 pisan. Lolongkrangna lega pisan. Nya piraku teuing lolongkrang anu sakitu gedéna téh henteu dimangpaatkeun onaman. Ku sistim nu dijalankeun kiwari, lolongkrang téh nyampak di mana di mendi. Di éksékutif aya, di legislatif nyampak, di yudikatif pon kitu deui. Mana pantes jalma-jalma nu katohyan korupsi téh jalma-jalma nu mibanda kalungguhan nu nangtukeun. Jalma-jalma anu aya dina sistim. Nu di luar sistim mah tara pisan kabéjakeun. Ku lantaran kitu sistimna kudu dirobah. Kudu ditéangan sistim nu sabna jalma nu aya dina éta sistim ngarasa aya nu ngawas. Lain ngan sakadar ku “jiga” modél ayeuna. Pancén legislatif apan ngawaskeun pagawéan éksékutif malar gawéna tru méngpar tina tujuan ngaraharjakeun rahayat. Yudikatif, kayaning jaksa, hakim jeung nu pancénna nanjeurkeun hukum, kuduna mah ngawaskeun dua “pilar démokrasi” lianna, nyaéta éksékutif jeung legislatif. Éta pancén nu diatur sakitu hadéna téh henteu ieuh dijalankeun, da nya kitu téa “padarubak sisi samping”. Silih ma’lum, silih “tau sama tau” da puguh saruana, papada dolog kana ngamangpatkeun lolongkrang pikeun korupsi. Aya nu nyalahkeun ka jalmana, lain kana sisimna. Da cenah, sistimna geus alus. Nu goréng téh jalma-jalma nu aya dina éta sistim. Da lamun jalmana hadé mah moal ieuh kapincut ku pagawéan teu hadé. Jalma hadé mah moal ieuh nurutan batur nu milampah pagawéan teu hadé. Dina milih jalma-jalma pikeun ngeusian sistim nu aya téh kudu bener-bener disaring kalawan daria. Tapi apan di urang gé nya kitu pisan. Lebah ngagkat jalma téh éstu teu sagawayah. Aya anu disebut “fit and proper test” téa apanan. Nya kitu, pikeun néangan jalma nu nu teu kabitaan najan lolongkrangna aya. Cohagna, teu kawas “monyét dibéré séséngkéd”. Jalma nu gugon tuhon kana sikep hirupna nu teu galideur, lempeng, teu kabawa ku sakaba-kaba. Tapi apan kitu buktina. Nu lulus “fit and proper test” gé sok “nyolong badé”. Jiga heueuh jujur, padahal ucing garong. Kitu kabutianana apan. Nu hadé awalna kalah katohyan goréng tungtungna. Pangna kitu nya ku sabab sistimna téa. Sistim nunyadiakeun lolongkrang pikeun basilat. Ana kitu, nu kudu dioméan téh naon atuh? Sistimna, atawa jalmana? Meureun kudu duanana, nya sistimna nya jalma-jalmana. Hartina téh robah heula sistimna malar teu nyadiakeun lolongkrang pikeun basilat. Geus kitu kakara néangan jalma pikeun ngeusian éta sistim. Da piraku sugan teu aya pisan jalma jujur di antara puluhan juta nu jaradi pagawé pamaréntah téh. Lamun ti jero geus dianggap euweuh nu eucreug, atuh nya kapaksa néangan ti luar. Sistimna kudu dirobah heula. Geus dirobah téangan jalmana nu bakal pihadéeun. Nu boga pancén milih, kudu nyingkahan sikep “pada rubak sisi samping”, komo ngahaja “méré séséngkéd ka monyét” mah.*** yayat.hendayana@gmail.com, Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda (ABS)-Unpas 5
  6. 6. Atlit Mancanagra Ngajajal Umpalan Citarum Umpalan Citarum matak ngirut. Kitu keur pasalancar mah. Matak, teu sing anéh upama Citarum jadi tempat kokojayan atlit mancanagara. Ngan, naon waé mangpaatna? *** G awir Citarum nu biasa tiiseun téh robah jadi pangjugjugan. Nu rajeg di dinya mencrong ka nu keur kekerelepan tilem-timbul. Tapi, taya saurang ogé nu nulungan, kalah patingareuyah nyumangetan. Enya, apan nu kekerelepan tilem-timbul téh lain titeuleum, tapi pamilon lomba nu ngadu jajatén ‘nalukeun’ umpalan cai Citarum dina kajuaraan Selancar Sungai 2013, di wewengkon Ciputat, Kabupaten Bandung Barat, Propinsi Jawa Barat. Kagiatan salancar diwalungan Citarum, mémang tingkat dunya. Atuh, nu daratang ka éta tempat gé ti sababaraha nagara, saperti ti Amerika, Perancis, jeung sajabana. Arinyana téh, atlit-atlit olah raga cai nu biasa ngajajal ombak laut jeung umpalan cai walungan di manamana. Ngahudang Sumanget Dina sual kokojayan, pribumi gé teu éléh ku sémah mancanagara. Boh kokojayan di laut boh di walungan, loba nu geus manukna. Atuh, teu kolot teu budak loba nu mahér ngojay nu saterusna boga kaludeung jeung kamampuhan jadi pasalancar sarta boga anléh milu lomba. Hasilna, atuh teu sing tambi lumayan, da puguh pribumi gé dina salahsahiji nomer lomba mah jadi pinunjul, saperti Yudi, Edy, jeung Hermawan. 6 Arinyana, mampuh ngadu jajatén jeung atlet kawakan tingkat dinya, kalayan dina gaya bébas mah, teu sing éléh jajatén. Kagiatan The First Riverboarding World Competition 2013 téh anu lumangsung 7 nepi ka 10 Nopember téh nyesakeun lalangsé nu mistina disingraykeun. Naon téa? Enya, apan sual ‘ajen’ cai Citarum nu mingkin dieu mingkin kotor. Tah, kaayan cai kawas kitu gé, kungsi jadi bangbaluh keur parapamilon mah. Apan, di antarana gé aya nu ngabolaykeun teu tulus miluan lomba lantaran, ceuk arinyana, cai Citarum téh kotor, teu merenah keur kokojayan dipaké olah raga! Ngan, tarekah panitia gé teu kurang-kurang. Sagala rupana ditataharkeun. Antukna, éta kagiatan téh bisa dilaksanakeun luyu jeung rarancang nu ditataharkeun. Atuh, pangbagéa ti pamilon gé kacida hadéna. Arinyana loba nu muji éndahna alam sabudeureunana! Upama Citarum kotor jeung caina bau, lantaran mémang ukur jadi pamiceunan. Kokotor ti imah jeung ti pabrik jigna téh loba nu ka Citarum. Atuh, éta walungan mah ukur katempuhan, da kumaha ti girangna. Ajén cai walungan, kumaha ti girangna. Mun ti sunggapanana kotor, ka hilir gé moal teu kitu. Atuh, mun urang girang miceunan kokotor, balukarna mah keur nu di hilir. Hartina, nalingakeun walungan mah lir ngalirna cai, kudu sapapanjag éta walungan jeung sapapanjangna. Citarum Bihari Citarum kareueus urang Jawa Barat. Eta walungan téh pangpanjangna di tatar Sunda mah, ngaliwatan sababaraha kota jeung kabupatén. Mimitina ti pakidulan Bandung , Cianjur, Purwakarta, jeung Karawang. Ahirna, ngamuara di laut Jawa. Nepi ka abad ka-19, eta walungan téh sarana patalimarga. Parahuparahu patinggeuleuyeung balayar pangpangna mah ti girang ka hilir kalayan ngakut hasil tatanén jeung kebon. Di lembur-lembur nu kaliliwatan aya pameuntasan , sakalian pangreureuhan nu balayar dina parahu. Eta walungan boga sajarah panjang. Kungsi jadi tapel wates alam nu misahkeun dua kakawasaan, saperti Galuh jeung Karajaan Sunda, ogé Kasultanan Cirebon jeung Banten. Kiwari, mémang lain bihari. Citarum remen jadi mamala. Mun usum ngijih, caina limpas ka lemburlembur. Kitu téh, saperti nu remen kaalaman ku urang Bandung pakidulan. Atuh, mun usum halodo, caina gé ngolétrak kajaba kotor, runtah nyayeud! Léngkah Jinek Ceuk kekecapan kolot, mun butuh supana kudu daék miara catangna. Kitu deui mun butuh ku Citarum, tangtu wé kudu dijaga jeung dipiara. Da, éta walungan téh mahala- mahayu, kumaha manusana, ahirna mah! Nu neundeun kanyaah ka walungan Citarum, memang loba. Malah, komunitas atawa organisasi nu nyaah ka eta walungan ge teu kurang-kurang. Ngan, nya kitu, hasilna mah tacan saperti nu dipiharep. Buktina, cai Citarum téh mingkin dieu mingkin kotor. Aturan-aturan miara lingkungan, remen teu katalingakeun. Antukna, rupa-rupa aturan téh mintul Manglé 2451
  7. 7. Gupernur Jawa Barat Citarum ngirut atlit mancanagara Kaayaan sabagian Citarum ayeuna Manglé 2451 tur teu peurahan! Karep miara lingkungan ogé jolna téh ti parapasalancar tingkat dunya. Apan dina panutupan kagiatan, aya deklarasi, maheutkeun tekad, milu ngarojong miara walungan nu aya di mana waé, kaasup walungan Citarum. Harita, karep kitu téh dihaminan ku Gupernur Jawa Barat, H. Ahmad Heryawan nu hadir dina éta acara. Gupernur gé nétélakeun, pihakna teu weléh satékah polah miara jeung ningkatkeun ajén Ciatarum. Malah, cenah, tarékah kitu téh lain ukur lalambé tapi geus prak ti taun 2008 kénéh. Atuh, pangrojong Pemda Jawa Barat ka organisasi nu mikanyaah Citarum gé teu kurang-kurang. Ngan, cenah, hasilnamémang can nyugemakeun sarta kudu leuwih dihangkeutkeun deui. Geusan miara Citarum, ceuk Gubernur Jawa Barat, pihakna gé geus nangtukeun léngkah anu jinek. Ngan tangtu wé luyu jeung kamampuhan. Hartina, léngkah kitu téh bakal ngeureuyeuh, tapi jinek udaganana. Léngkah munggaran, dina 2014, ngabebenah Citarum di bagian sunggapan, dua puluh kilométér heula, dimimitian ti wewengkon Situ Cisanti, nu aya di wewengkon Kabupaten Bandung. Dina lengkah saterusna, nuluykeun deui hanca garapan kalayan sasaranana lima welas kilometer. Ti dinya diteruskeun deui sapuluh kilometer, sarta disambung lima kilometer deui. “Tangtu we garapanana gé sagala rupana,” pokna. Ngabebenah walungan, mémang lain ukur miara caina, tapi deuih lingkunganana. Ku lantaran kitu, ngahéjokeun deui lingkungan nu mangaruhan walungan Citarum kudu jadi garapan gawé nu daria. Saterusna, dina miara ajén cai, ngajaga tur ngariksa sagala rupa nu bakal mangaruhan kana ajén cai. Contona, cenah, nu mariceun kokotor boh ti imah-imah boh ti industri teu meunang langsung dikamalirkeun ka walungan, saacan disaring jadi cai ‘beresih’ nu teu matak ngotoran walungan. Matak, cenah, nu leuwih penting téh kasadaran sakumna masarakat sangkan teu sagawayah miceun kokotor ka walungan. *** (AS/Ensa) 7
  8. 8. Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran sa-Jawa Barat Piala Ida Widawati 2013 P ROSESI dibukana Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran Piala Ida Widawati 2013, diwangun ku pagelaran nu kawilang langka. Gelar tari téh dipirig kacapi suling, henteu ku gamelan kawas ilaharna. Koréograferna Iwa Permana SSen, ti Mitra Seni Inten Dewangga, geus hasil magelarkeun pintonan anu satéma jeung acara, henteu incah tina kacapi suling jeung Tembang Sunda Cianjuran. Ieu prosési dideudeul ku sapuluh penari, lima jajaka (Gilang, Gatot, Dadan, Zainal jeung Denny), jeung lima wanoja (Uum, Adé, Yuka, Alma jeung Mira), minangka lambang yén nu bakal jadi juara téh aya lima wanoja jeung lima jajaka. Gilang nu ngalambangkeun spirit (sumanget) kaagungan Prabu Siliwangi, ngabéwarakeun ku lagu, yén bakal turun rundayan petétan Tembang Sunda. Kostum bodas minangka ciri warna kembang malati, ngaran Lingkung Seni nu ngayakeun ieu acara. Salian ti éta, pulas bodas lambang kasucian, nambahan nuansa hidmat kana suasana. Penari jajaka geus reres ngibing, dariuk dina panggung. Burudul iringan Ida dituturkeun ku mojang penari, limaan 8 nanggeuy dua piala bergilir Ida Widawati, ti lawang asup Gedong Sunan Ambu, STSI Bandung. Ida nembang lagu bubuka ku Cianjuran dina Kulukulu Bem. Lulus banglus, prosési téh réngsé kalawan hidmat jeung dangiangan. Dina obrolan jeung “Mangle”, Ketua Panitia Herry Supriadi dibarengan ku Ida Widawati nétélakeun yén cita-cita ngayakeun ieu pasanggiri téh geus ti baréto. Sanajan harita mah nu kacipta ku Ida téh saukur ruang lingkup Garut, tempat lahirna. Taya maksud nanaon, iwal ti hayang ngahiap ka generasi ngora anu micinta tembang Sunda. Lebar cék Ida, lamun petétan téh henteu disambat. Ieu cita-cita Ida téh dipadungdengkeun jeung para tokoh tembang. Bet loba nu protés, naha cenah maké saukur ruang lingkup Garut, apan ngaran Ida téh geus lega ambahanana, nepi ka tingkat nasional, malah internasional. Tapi Ida angger asa bingung kénéh. Na ti mana ngawaragadanana? Tapi dina émprona mah nu milu ngarojong téh henteu saeutik. Geura wé, di antarana aya ti YPK, Kadisbudpar Jawa Barat, STSI Bandung, Damas, Ju- gala, Pangauban Kawih Sunda, GPFS Garut, NF Record, Mitra Seni Inten Dewangga, Paguyuban Tembang Sunda Cianjuran Jawa Barat jeung Ranggon Cijagra. Can kaasup sumbangan moril ti rekan-rekan Ida jeung Herry. Di antarana Mamah Dasimah, Neneng Dinar, Ida Rosida, Ai Eka, Lenny, jste. Malah Tintin Suparyani, nu kungsi jadi Juag Oma dina Gending Karesmen Ceurik Oma, ngahadiahan kacapi indung jeung rincik. Ieu kacapi dipasrahkeun ka Kabupatén Garut, daérah anu panglobana ngirimkeun wawakil patandang. Lain Goong Nabeuh Manéh Basa Ida Widawati kudu biantara ngalaporkeun ieu kagiatan, katara rada dumareuda. Kagagas, meureunan pédah cita-citana laksana. Ida gé sasadu, cenah da kakara munggaran pidato hareupeun umum. “Hapunten da tangtos seueur kakiranganana,” cék Ida. “Paralun sanés badé goong nabeuh manéh, ngayakeun ieu kagiatan téh, tapi éstu clik tina haté nu wening, hoyong ngiring ngarojong ngawanohkeun seni tradisional Sunda ka generasi muda. Teu pisan-pisan Manglé 2451
  9. 9. gaduh rasa tos janten tokoh. Ieu mah keur adi-adi, pun anak, boa pun incu, hayu urang mumulé seni Tembang Sunda ku urang sadaya,” cék Ida. Kadisbudpar Jawa Barat, Drs Nunung Sobari MM mah harita kénéh dina pangbagéana nyebutkeun yén Ida teusing goong nabeuh manéh, tapi goongna ditabeuh ku batur. Ngaran Ida téh geus kakoncara salaku panembang senior, anu ti taun 1970-an geus iciki- salahsawios kasenian adiluhung. Piraku urang henteu reueus,” cék Ibu Otje. Teu wudu rempeg. Nu méré pangbagéa téh salian ti Ny Popong Otje Djundjunan salaku anggota DPRRI Komisi X, ogé wawakil Kementrian Pariwisata dan Ekonomi Kretatif ti Jakarta. Malah di antara hadirin, salian ti seniman tembang, kawih jeung seniman séjénna, ogé loba tokoh masrakat, budayawan nu ngahaja nyaksian boh bung dina widang Tembang Sunda kalawan henteu pegat. Nu mawi kagiatan Bu Ida, ku Disbudpar dirojong pisan,” cék Nunung. “Ida Widawati jeung Lingkung Seni Malati ngalangkungan Pasanggiri Tembang Sunda kanggo rumaja 14 dugi ka 19 taun, némbongkeun tarékah pewarisan ajén luhung seni mamaos. Ku ayana ieu tarékah Ida, muga-muga tiasa ngaronjatkeun minat urang Sunda, hususna para nonoman, sing langkung miwanoh tur mikacinta Seni Tembang Sunda, “ cék Eka Gandara WK, Ketua Umum Pangauban Kawih Sunda Jawa Barat. Ari Gubernur Jawa Barat dina sambutan tinulisna, nétélakeun yén ajén budaya daérah téh ku pamaréntah dijadikeun salah sahji kakuatan sosial pikeun ngaraketkeun persatuan jeung kesatuan. Ku kituna Gubernur miharep ieu kagiatan bisa nambahan ajén inajén budaya tur dampakna positif kana pembinaan jeung pengembangan Tembang Sunda Cianjuran. Dina ahirna mah bakal ngamuara kana tumuwuhna budaya nasional, malah internasional.” “Seni Tembang Sunda téh geus diangken ku dunya internasional, jadi dina pembukaan boh dina penutupan acara. Di antarana aya Ajip Rosidi, Gugum Gumbira, Abdullah Mustappa, Endang Karman, Yus Wiradiredja, Karno Kartadibrata, Uu Rukmana, HD Bastaman jeung réa-réa deui. Manglé 2451 Lagu nu dipasanggirikeun Tina katerangan Ketua Panitia Pasanggiri, Herry Supriadi jeung Hasan Syafrudin, tétéla anu disebut Tembang Sunda dina ieu pasanggiri, nya éta Cianjuran. Lagu-laguna ngawengku Papantunan, Jejemplangan, Dedegungan, Rarancagan jeung lagu-lagu Panambih; dina dua laras, Pélog jeung Sorog. Ieu pasanggiri téh lumangsung di STSI Bandung ti 10-13 Nopémber 2013, nu miluna aya 51 urang, diancokeun keur masyarakat umum, wawakil sakola atawa utusan daérah sa-Jawa Barat, keur mojang jajaka anu umurna 14-19 taun tur geus ngawasa lalaguan nu dipasanggirikeun, di antarana Kentar Ajun, Asmarandana Polos, Wani-wani, Mupu Kembang, Rajamantri, Cinta Waas, jeung Nandasa. Ari lagu panambih, di antarana Angin Peuting, Selabintana, Ka Saha, Lembur Singkur. Piala Kajuaraan Sabada para finalis tandang makalangan, diajén ku para juri, Herry Suheriyanto, Neneng Fitri jeung Kari Mulyana, pasanggiri nangtukeun heula dua puluh finalis jajaka jeung mojang. Saterusna para finalis diajén deui dina babak final. Pikeun golongan mojang, pinunjul kahiji beunang ku Fadila Nur Asifah ti Bandung, kadua Reka Diah Pasha ti Garut, katilu Sri Ningsih ti Bandung, harepan I Nurul Cholidania ti Bandung jeung harepan II Silvi Risviani ti Sumedang. Ari pikeun golongan jajaka, pinunjul kahiji beunang ku Arief Abdul Rochman ti Bandung, kadua Dika Dzikriawan ti Cianjur, katilu Muhammad Ridwan ti Bandung, harepan I. M Raudia Sukma ti Garut, jeung harepan II, M. Imam Maulana ogé ti Garut. Mojang jeung jajaka juara kahji, narima piala bergilir, piala tetep jeung duit kadeudeuh. Ari pinunjul kadua nepi ka harepan sarua pada-pada narima piala tetep jeung duit kadeudeuh. Gedéna kadeudeuh téh Rp 30 juta keur saréréa. Salian ti éta kabéh pinunjul narima medali kajuaraan, smartphone ti sponsor, jeung payung ti Ibu Otje. Dina pidato panutupna Kadisbudpar Jawa Barat Drs Nunung Sobari, MM nandeskeun kabungahna nyaksian lobana nonoman anu miluan kana ieu pasanggiri. Ieu ngandung harti, seni Tembang Sunda bakal loba nu neruskeun. “Numutkeun Unesco, unggal poé loba basa indung nungtutan ilang tanpa karana, lantaran nu makéna nungtutan laleungitan. Eta dina basa. Kitu deui dina seni. Upami masarakatna tos teu hoyongeun ilubiung deui dina Tembang Sunda, tangtos senina téh bakal ilang. Alhamdulillah, ningali sakieu rempegna para nonoman anu ngariring mikacinta Tembang Sunda, kahariwang seni urang bakal kawas jati kasilih ku junti téh teu aya ayeuna mah. Reugreug. Ieu acara téh sanés kagiatan Disbudpar sareng Lingkung Seni Malati wungkul, tapi kagiatan urang sadaya. Nu ngadeudeulna aya lima komponén, kahiji pamaréntah nu memfasilitasi, kadua seniman nu kagungan kréasi, katilu sponsor dina widang promosi, masyarakat nu ngaapresiasi sareng wartawan dina widang publikasi,” cék Nunung Sobari. Pasanggiri Tembang Sunda Piala Ida Widawati téh diayakeun dua taun sakali. (aa).*** 9
  10. 10. Bagian 181 Peuting ka-213 Kasedih raja parat ka rahayat. Poé éta mah, loba nu ngeureunan kagiatanana. Nu boga toko nutup tokona, nu karuli milih cicing di imah-imahna. Patinglaliud nyaritakeun musibah nu tumiba ka kulawarga raja. Raja mémang masih kénéh panasaran. Tacan boga kacindekan, naha putrana téh maot lantaran direweg sato galak atawa lantaran rampog. Nu jinek, ceuk pikir raja, Komarujaman geus taya di kieuna. Pasipatan raja robah kacida. Bangun leungiteun sumanget. Atuh, kituna téh mangaruhan kana roda pamaréntahan. Dina saminggu téh, raja ukur dua poé ngalaksanakeun pancén gawéna, da poé-poé séjénna mah ukur numpi manéh di 10 wawangunan husus pikeun pangeling-ngeling ka anakna. Kitu deui Komarujaman, keur ngungun harita téh. Sedih kingkin mikiran nasibna. Teu nyana bet kitu kajadianana, kudu anggang jeung nu dipicintana bari teu apal kumaha kaayaanana. Najan sedih, Komarujaman ngawayahnakeun manéh nurut kana papatah aki-aki nu ngajaga éta taman. Cenah, wayahna kudu nungguan mangbulan-bulan hayang neruskeun lalampahan ka nagri Islam téh, lantaran pibakaleun aya kapal nu balayar ti éta nagri ka nagri Islam téh dina ahir taun. “Wayahna wé hidep téh kudu cicing heula di dieu nepi kana waktuna,” ceuk aki-aki. “Hatur nuhun atuh Ki,” walonna. Tamba teuing euweuh kagiatan, Komarujaman mantuan meresiihan taman jeung sakalikalieun milu nyeboran pepelakan. Atuh, ku pasipatan jeung kadaék semahna kitu, aki-aki téh kacida atoheunana. Timbul weh rasa nyaah, asa ka anak sorangan. Béak poé ganti minggu, ahirna nyorang wilangan bulan. Komarujaman ngawayahnakeun maneh cicing di eta tempat. Saban waktu inyana nanyakeun ka nu boga kebon perkara kira-kira piindniteun manehna ti eta tempat. Ngan, tetela eta aki-aki téh can bisa mere waktu anu pasti. Hiji mangsa, aki-aki nyarita, cenah, poé éta mah teu kudu baranggawé. Cicing wé di saung, teu nanaon numpi manéh ogé. Kituna téh, lantaran harita mah poé peré. Pagawé eureun tina pancén gawena, nu daragang nutup tokona, kitu deui nu ngarala lauk ka laut poe eta mah areureun. Kituna téh, lan- taran poé peré téa keur nu ngagem agama Majusi mah. Biasana, poé éta mah waktuna silihanjangan jeung dulur-dulurna. Ari éta aki-aki, dina poé éta téh rék ngahaja ulin ka basisir, rek neangan beja iraha-irahana bakal aya kapal nu balabuh ka lebah dinya. Kituna téh, lantaran harita geus deukeut kana ahir taun. Hartina, waktuna aya kapal nu ngaliwat ka dinya nu saterusna nuluykeun lalampahan ka nagri Islam. Jung éta aki-aki téh indit, muru ka basisir. Ari Komarujaman, ti sajigna pribumi téh, leos we kaluar ti eta wawangunan. Ngadon jalan-jalan bari sakalian nyinglarkeun lalangse nu ngareupeukan hatena. Leumpangna memang taya tujuan. Pikirna, ukur rek leuleumpangan di sabudeureun eta kebon. Ngan, lantaran malaweung, jetruk indung sukuna titajong kana Manglé 2451
  11. 11. akar. Sorodot nolonjong neunggar tangkal hareupeunana. Jedak tidagor! Komarujaman muringis nahan kanyeri. Ley getih tina tarangna ngaberebey. Horéng lain ukur buncunur, da nepi ka soek kulit tarangna téh. Keur mendet getih nu ngaberebey, Komarujaman téh nyoekeun bajuna, terus diperbankeun kana tarangna. Kalayan bari rumanggieung, manehna leumpang sababaraha lengkah. Angkanana mah, rek terus balik ka saungna. Ngan, taksiran teu kuat, pangaruh tina tarangna anu tatu karasana téh lieur. Brek Komarujaman cingogo deukeut tangkal gede nu dangdaunanana ngarumpuyuk. Geus kitu mah, manehna diuk, ngesod nyarande kana eta tangkal. Bari ngararasakeun kanyeri, manehna peureum. Ngan, kakara ge rek reup, kagareuwahkeun ku nu recet dina dahan tangkal luhureunana. Nyah, Komarujaman beunta, horeng nu recet téh manuk dua keur pahareup -hareup kalayan nyoara patarik-tarik. Meh bareng manuk nu dua téh ngagalaprak, silih tarajang. Ger galungan, silihpacok silih bintih. Taksiran, ku lantaran pada-pada Manglé 2451 kuatna, itu ieu ge tacan katingali tanda-tanda bakal aya nu kasoran. Komarujaman ngahuleng. Kakara harita nempo manuk galungan kawas kitu. Da biasana mah, mun diadu téh ukur sageprakan, tangtu nu hiji mah buru-buru kabur. Ari harita, manuk nu dua téh lir bebeakan, kawas nu rela nepi ka ajal, da buktina, apan najan bangun raripuh ge angger keneh taya nu boboleh ngaku eleh. Sanggeus sababara jongjongan, kakara aya nu eleh. Tapi, lawanna ba- ngun nu tacan sugema. Da eta we, lain hiber ninggalkeun lawanna, malah jebrod ngabintih, nu saterusna macok gengengerong lawanana nepi ka sapat. Geleber weh manuk nu unggul diadu téh hiber kalayan bari ngaranggeum hulu manuk nu kasoran tea. Awak manuk nu euweuh huluan ngoleang ka ka handap. Gubrag weh ka hareupeun komarujaman. Awak manuk teu usik-teu malik, da puguh di luhur tangkal keneh ge geus paeh! Tacan reureuh tina kakagetna, kadenge sora manuk sejen dina dahan. Breh tembong manuk dua kawas sajodo. Uclagacleg dina dahan bari teu reureuh disada. Matana gular-giler ka handap. Geus kitu, siet weh nyirorot ka lebah bangke manuk hareupeun Komarujaman. Cle napak kana taneuh, duanana ngadeukeutan bangke manuk sejenna. Brukbruk dareku, macokan awak eta manuk. Geus kitu, dua manuk téh tarungkul bangun sedih. Komarujaman heran kacida. Kakara harita nyaksian paripolah manuk kawas kitu. Kawas manusa nu boga rasa, aya kanyaah ka sasama. Taksiran, eta manuk téh ngartieun, baturna geus paeh. Duana pating arunggut. Geus kitu, macokan jeung ngoeran taneuh. Nu kahartina ku Komaru jaman mah, meureun eta manuk nu dua téh, ngali taneuh. Beuki lila, taneuh nu digalina beuki jero. Geus pimahieun ngubur manuk baturna, eta manuk nu dua téh ngacleg ngadeukeutan bangke baturna. Kalayan dicakaran jeung disered ku pamatuk na, brus we bangke manuk nu eleh diadu téh, diabuskeun kana lombang. *** (Hanca) 11
  12. 12. Ku M.A. Salmun { 20 } P aéhna Si Abdullah, ku sabagian pangeusi Bandung babakuna nu nyarahoeun jeung nu geus ngarasakeun kajahatan Si Abdullah, dianggap meujeuhna malah adil. Nu geus pasti di Bandung ngurangan ulon-ulon saurang, purah ngagoda nu ngarora, purah nipu, purah licik. Nyi Rapiah ogé anggapanana, punjulna ti nu lian téh maké karunyaeun ka Nyi Nisah, anak pangasuhna baréto keur leutik, jeung terangeun, yén Nyi Nisah maké méh tara milu ngadahar rejeki Si Abdullah beunangna teu halal téh, da gegedéna mah dahar paké usahana pribadi, buburuh téa. Sabalikna ari maruna mah, Agan Sari, gegebegan rerenjagan téh alahbatan usum gelap dor-dar, sabab yakin yén Si Abdullah paéh téh nginum racunna pribadi, sasat meunang mangmeulikeun Agan. Najan teu sidik kumaha sababsababna nu matak racun legukna bet ku Si Abdullah lain ka Nyi Rapiah, teu keudeu haté Agan Sariningrat lir anak ucing katuruban sarung, abrug-abrugan teu daék cicing, mani asa manéhna priabdi nu ngalolo Si Abdullah téh. Mangkaning 12 béjana pulisi keur ngulincer néangan nu boga dosana. Leuh, kumaha lamun kabitur? Paingan cék omong kolot: “Moal tulus jadina utama, lamun jail ka papada jalma.” Buktina cara Sari; tadina geus bener-bener, pasrah sadrah kana kadar, rumasa jadi nu ngora naha maké marudah ngabeka, boga rasa aing luhur, sangeuk diunghak ku cacah. Samarukna kaluhuran jalma téh anggeus ku jadi turunan ménak baé, anggeus ku beunghar baé. Samarukna kaménakan kabeungharan téh cukup geusan dijieun takeran kamulyaan. Bisa jadi cacah téh serab ku gurilpna kaménakan, bisa jadi somah téh serab ku ruhayna kabeungharan, tapi sérab téh acan ngandung harti ngamulyakeun jeung ngajénan. Cara banténg sieun ku singa, sieun dina harti mending ulah amprok, mending ulah pasendatan. Tapi lamun sakalieun amprok sarta sakadang singa rék nekuk mah, atuh banténg gé da bogaeun tanduk. Ciri kamulyaan jalma téh: hiji budina, dua amalna. Ka jelema nu geus paéh, nineung téh lain kana ménakna atawa beungharna, tapi leungi- teun ku budina, pinterna, kabisana, kadaékna, hasil gawéna. Ngajénan ménak jeung ngajénan nu beunghar sabot hirup, nutur aub atawa ngarah kuah beukah. Ada gula, ada semut. Tapi jalma anu mulya enya mah, najan geus paéh rébuan taun gé tetep dimulyakeun baé. Serabna jeung ajrihna somah ka ménak jeung ka nu beunghar gé kitu. Semet diala gawéna atawa diala tanagana somah téh sadrah; nepi ka diperih pati, dipuraga diwadalkeun pisan, biasa jadi somah téh moal baha asal karasaeun gunana; tapi ... lamun geus diraheutan haténa, ditarajang rasana, tah lebah dinya mah sabodo cacah, sahéngkérna somah moal teu hudang ... ngalawan! Ari jalma téa, saha-saha gé moal daékeun dinyenyeri mah; ninggang di Nyi Rapiah, luas ngaguyurkeun ngagujrudkeun; ana dibales ka awakna pribadi; ceuk basa pakampungan tea mah katulah ku tulang beuheungna sorangan. Leuwih ti kitu, dasar bagja-cilaka ari datang tampolanana sok tara “sosorangan” tapi “ngaleut” mawa batur, ka Agan Sari ogé nya kitu. Ari sababna, isuk éta téh Usman disaur ku patih ka kamarna, dipénta tanggung jawab bab parekin kopi jeung laladangan kai, sabab réa angka nu teu cocog, boh angka tanggal boh angka jumlah. Najan patih henteu nyarekan maké sia-aing, malah sabalikna teu tinggal di leuleuy jeung tartib, tapi ku Usman karasaeun, yén lamun bukubuku téh paruguh alang-ujurna mah moal inggis ngalaporkeun ka pulisi. Ari patih téh ménak enyaan; bener tur beresih ka haté-haténa, disebut panyaluuhan rayat téh ieu mah enya, lain ménak dapon ménak. Ka nu salah, tara pilih kasih, teu ngitung sobat atawa baraya, ari mistina dihukum mah dihukum baé. Najan cacah kuricakan lamun sidik lempeng-bener, moal teu dibélaan, dimeunangkeun. Ku kawijakan patih, Usman ditémpoan saminggu sina bébérés menerkeun bukuna. Dijalanan kitu téh aya dua maksud: cenah buku téh lain dihaja diacak-acak, tapi mémang kaliru atawa gagabah baé, atuh basana gé tara aya kakaliruan buku anu teu beunang dibébérés; ceunah kusutna ku dihaja diacak-acak, atuh tambah kuat pibuktieun ka pulisi. Balik ti pagawéan –da giliran di Nyi Rapiah—nyampak pamajikan api lain, datang salaki téh sumawonna haripeut ngabagéakeun, jongjon baé Manglé 2451
  13. 13. ngarénda, teu béda ti kaasupan ucing, teu digebah teu disambat. Ari pék ambeh Aom téh, teu wani, da itu mangkeluk Si Roda teu jauh ti panto! Minangka dahar capé balik ti kantor, cama-cimi sagala teu mirasa; ku Nyi Piah teu digarah-geureuh, tonggoy baé ngarénda. Bérés dahar, gék diuk di gigireun Nyi Rapiah, dianggap angin baé. Ngan barang rék leleson, ceuk pamajikanana téh: “Moal ngalayad ka pahlawan kadeuheus?” Aom Ngarandeg: “Ngalayad? Na saha nu maot?” Nanya kitu téh enyaan teu nyahona, da tadi ti kantor teu reureuh diguliksek ku patih téa. Kaluar ti kamar patih, babaturan teu aya nu ngabéjaan, yén Si Abdullah paéh aya nu ngabaruang, saperkara bisi Aom ngabarérang duméh tas dibenduan ku patih, ka duana, éta téa, mimiti réa nu ijid ka Usman téh, réa nu ngarenggangan, komo nu boga pamajikan tegep mah. Nyi Piah ngadilak: “Weeeh, mamandaluanana, sieun kabawa goreng, mun teu rék di dinya gé nu boga dosana?” Aom rada nyereng: “Sing bener ngomong téh Piah! Naon téa ieu téh?” Nyi Piah ngajanggilek, ngomongna leuleuy, adab tapi handap lanyap: “Sumuhun timbalan, Aom, gegedug kakasih. Agan Abdullah tilar dunya tadi énjing, aya nu ngabaruang, wartosna létahna gé ngelél sapertos Si Koplok, socana gé kulan, wartosan narongtot sieun teu awas nénjoan dosana. Sanagara Bandung anu nawing cécéwérna mah parantos kawartosan piraku gamparan gé teu ngadangu, da ari aya randa anyar mah cepil téh mani alahbatan ceuli léntah.” Aom Usman, nya panaspeurih ku ucap-ucapna Nyi Rapiah nya kagét ku béja, ceulina mani pating harieng, nurutkeun napsu mah hayang gampleng-gampleng baé nampilingan, hadéna – uyuhan!—kuat kénéh nahan amarah, leguk nginum heula meper napsu, lengo nempo Si Roda ti panto bari nanya: “Roda, enya si Abdullah téh maot?” Manglé 2451 Roda: “Rék teu percaya kana omongan pamajikan percaya ka saha deui, atuh?” Usman: “Éta da, Nyai jiga heureuy.” Nyi Rapiah nyeuleukeuteuk, kapiasem ku lalaki dedeg sampé rupa hadé ari pucus cara beurit. Pok ngomong enyaan teu ngamaénkeun, karunya: “Yaktos gamparan, pun Abdullah téh maot, tadi enjing, aya nu ngaracun, malah pulisi nuju milarian nu gaduh dosana. Sageuy gamparan teu kawartosan.” Aom Usman kakara percaya enya: “Akang téh sapoé ieu di kamar juragan patih, nu matak gé. Lain, Piah atuh Akang salah mun teu ngalayad, rék ka ditu atuh ayeuna nya!” Nyi Rapiah: “Mangga baé, ongkoh ti tadi gé abdi naros. Asal ulah lalajengan baé.” Nyebut: “Ulah lalajengan” téh ku Usman gé kahartieun, maksudna mah: “Ati-ati sia lamun ka imah Si Sari!” Geus dangdan garudasgaridus gesar-gesut, clak Usman kana per, meunang ngeureunkeun Si Roda titahan Nyi Rapiah. Mani neger ka Babatankeun, ari datang nyampak mayit keur diturunkeun ti imah. Daékeun sotéh jalmajalma mulasara jeung ngagotong mayit Si Abdullah, sakituanana mandang Ki Lebe jeung Ibu Haji Ubeng, teu ngadeuleu ka eta jelma dua mah, boa nepi ka isukan mah éta mayit téh ngalojor kénéh. Nyi Nisah anu geus poho kana duduga peryoga, nénjo Usman turun tina per mani nyirinting nyampeurkeun bari nyarékan: “Tah ieu yeuh, jelema ieu anu mamawa kojor salaki kami téh. Lamun teu nutur-nutur jelma kieu mah, meureun salaki kami téh hirup kénéh.” Nu araya pada hideng, Nyi Nisah geuwat pada ngarawat, ku Ua Pancir sasatna dipanggul ka jero imah. Kahartina ku saréréa, ngaweweleh biasa baé, duméh enya si Abdullah sok ngikintil Aom. Saemet deui pisan, bis baé Nyi Nisah ngambat-ngambat “pélét” nu ceuk Si Abdullah keur peuting magar paméré Aom Usman geusan Nyi Rapiah téa. Lamun sungutna teu kaburu dibekem ku Ua Pancir (maksudna ulah sina nyarekan ménak!) wah... rasiah Agan Sari sasat beunang kuncina. Puguh baé Aom wiwirang di kolong catang, dicarékan bari ditutunjuk ku pantaran Nyi Nisah tur di hareupeun réa jelema téh. Kawas enya lampah doraka téh sok mawa sial, buktina cara Aom Usman nu betah dina doraka, sagala téh ngan sialbengsal baé. Di kantor digotrok ku dunungan, di imah direheng ku pamajikan duanana, di panyabaan ditutunjuk ku deungeun. Ampun! Rarasaan Aom, mani asa teu boga beungeut bawaning ku wirang, léos baé balik deui, teu kaduga terus nganterkeun mayit. Hadéna per nu tadi acan indit, clak deui baé kana tutumpakan éta. Ari datang ka imah Nyi Piah, rarasaan geus kieu lain kitu lain, rasa bawa ti kantor can lipur, reheng Nyi Piah karasa kénéh, wiwirang di Babatan asa nampoléd dina beungeut, ambek nyedek tanaga midek, segruk baé ceurik, harita karasa kaduhungna ku sakabéh lakulampahna nu kaliwat. Dasar keur sial, kahartina ku Nyi Piah mah lain ceurik nyeungceurikan diri, tapi ceurik sedih ditingal maot ku Si Abdullah, atuh pohara girukeunana ka salakina, bet maké melang ku durjayana anu tetela sakitu jahatna. Lamun jalma eukeur sial eukeur sué, sok jeweh. Muru luput moro lepot muntang pegat, harésé. Nété semplek nincak semplak sarwa salah, teu bérés. Aom Usman kitu kagok kieu pugag, ngéng léwéh. Pamajikan lain nyombo kalah ngantep, lah réhé. Nya ayeuna karasana salah tincak teu hadé. Sakumaha anu geus dicaritakeun, lamun Aom Usman keur kilir di Nyi Rapiah, Agan S ari sok kasémahan ku Anom Belem. Harita gé, nya kitu. (hanca) 13
  14. 14. “Ma Lima” Geus Mahabu Kabina-bina Ku Usép Romli HM “Ma-Lima” singgetan tina Maling (ngabangsat,korupsi)), Madon (jinah, lacur), Main (adu-aduan, judi), Maténi (maéhan), jeung Madat (mamabokan, inuman keras, ganja, narkoba, shabu-shabu). Ieu singgetan, karya linuhung para karuhun, sangkan babari dipikaharti ku balaréa. Sangkan saréréa ngajauhan laku kitu. Tong boro ngarempak limaanana, nyobanyoba milampah hiji ogé, geus matak bahla saumur-umur. Ngukundang balukar goréng nepi ka jaga. Parat ka ahérat. Tapi kiwari, “ma-lima” kawas geus teu dianggap perkara badag. Boa geus jadi fosil pinuh kebul satengahing sikep katut sipat hedonis, materialis, sarta ngumbar hawa napsu di mamana. Teu mandang tempat,teu mandang tingkat. Ti lingkungan masarakat lara bakangsak,nepi ka lingkungan élit nu sarwa hurung hérang. Mimiti ku pribadi-pribadi, nepi ka ku kelompok, institusi, katut lembaga . MaLima kiwari geus jadi kalangenan sapopoé nu kawilang lumrah. Contona “maling”. Wangunna geus rupa-rupa. Korupsi, suapsogok, gratifikasi, mark-up, tupatipu, jsb. Nu migawéna,lain saurang dua urang. Tapi berjamaah. Nembrak negrak, teu susulumputan deui. Tempatna, bisa baé di hotél méwah, gedong DPR/DPRD, imah konglomérat, kantor aparat hukum, jeung sajabana nu teu pipantesan dipaké kikituan. Lacur ogé geus terang-terangan. 14 Teu nyamuni bari ukur ngalampiaskeun sahwat. Ayeuna ngahaja dirékam. Didokuméntasikeunana dina foto atawa vidéo. Disebarluaskeun ambéh sohor jadi bahan warta. Teu miduli ancaman hukuman jeung panghujat ti sisiti gigir. Ari “maling” jeung “madon”, sok ngantét bareng. Kasus suap impor daging sapi, nu dipilampah ku AF jeung LHI, apan ngalibetkeun sababaraha urang kaom wanita kelas selebritis. Kitu deui, Ketua MK manten,AM, kabéjakeun ngiriman duit ka sababaraha urang artis dangdut kamashur, nepi ka ratusan juta rupia. Maén alias judi, baheula mah ukur pirajeunan. Ayeuna mah geus mangrupa perkara nu teu bisa dipisahkeun tina kanyataan sapopoé.Boh adu-aduan nu katénjo langsung jentulna, bangsaning tarohan, lotré, ngadu muncang, ngadu domba, jsb., nepi ka aduaduan nu teu katénjo (abstrak) tapi ngandung unsur judi. Hayang jadi PNS, hayang katarima ka paguron luhur, pilkada, pilbup, malah pilpres, jeung pileg, teu leupas tina judi. Dipaké tumpangan saha nu meunang saha nu éléh,dipaké lahan suap sogok,jsb. Maténi atawa maéhan, geus teu bireuk deui. Teu béda ti sasarap. Barang bray koran dibaca, barang tivi disetél, langsung disampakkeun warta rajapati. Ti mimiti maéhan biasa, nepi ka mutilasi. Aya nu langsung kapanggih, aya nu mangtaun-taun lebeng. Sajaba maténi nu aya hubungan langsung kana nyawa papada manusa, aya deuih maténi nu sipatna samar-samar. Tapi balukarna mah sarua. Malah boa leuwih réa nimbulkeun korban. Nyaéta “maténi” kapercayaan rayat ku para wakilna di DPR/DPRD. Maténi aspirasi, maténi kajujuran. Para wakil rayat di DPR/DPRD, geus teu beunang dipercaya deui ku rayat, lantaran goréng gawé jeung goréng kalakuan. Geus teu narima deui kapercayaan rayat, lantaran maranéhna geus wani curang, gedebul. Mindeng kajadian para wakil rayat studi banding ka luar nagri. Ngan ukur ngaran wungkul da dina prakna mah ukur jalanjalan,balanja, piknik, jsb. Padahal diongkosan ku duit rahayat. Kungsi kabéjakeun dina koran jeung tivi, sawatara urang wakil rakyat, nu keur arulin ka Swiss rerencepan. Ngakukeun keur gawé lapangan di Mesuji, tapel wates Prov.Lampung dan Sumsel, nu harita keur nandangan uru-ara. Maranéhna wani ngabohong keur nutupan bohong-bohong sejenna. Maranéhna geus “mateni” ati sanubarina di parlemén. Geus “maéhan manéh” sakaligus “maéhan rayat”na sorangan. Atuh teu béda ti “zombie”. Mayit hirup tukang ngajujurigan kahirupan jalma normal. Madat – udud candu -- baheula dikonsumsi ku salah sahiji étnis, dina tempat husus. Diawaskeun ku aparat nu tegas. Ayeuna mah saha baé, teu mandang etnis,teu man- Manglé 2451
  15. 15. dang umur, rek awéwé rék lalaki,lir bébas laluasa ngamadat. Mindeng digerebeg, ditéwakan, madatna (narkoba,shabu-shabu, ganja, jsb), dirampas. Dimusnahkeun. Nu ngagunakeunana dihukum taun-taun. Tapi angger taya eureunna. Taya kakapok, lantaran barang-barang nu dipikabutuh teu weléh nyampak. Naon nu dipiharep ti hiji bangsa di hiji nagara anu geus katerap panyakit ”ma lima”? Saban rénghap, geus eungap ku “ma lima”. Dibungbuan ku bohong gedebul nu bisa dipaké pipinding tina ancaman hukum. Komo lamun nu nyandu kana “ma-lima” jeung gedebul wadul téh, réréana élit-élit pinilih bangsa ? Padahal para élit boga wewenang keur ngarobah kaayaan bangsa jeung nagara, tina goréng kana alus. Sangkan rayat tenang, tengtrem, bagja, raharja. Tapi bet kalah nambahan kasusah, kakacauan,katut karuksakan dina sagala widang kahirupan ku cara miara “ma lima”. Dina Alqur’an, ditétélakeun, jalma nu meunang kani’matan kakawasaan katut kaméwahan harta,disebut “mutrofin”. Ngan lantaran dina ngagunakeun kani’matan jeung kaméwahan téh, teu luyu kana aturan Alloh SWT, malah digunakeun pikeun ma’siat ka Anjeunna, istilah “mutrofin”sok dihartikeun “jalma-jalma nu geus garempak wates wangen”. Nyaéta milampah “ma-lima” jeung ngaréakeun wadul gedebul. Nu matak, jalma samodél kitu,”mutrofin” téa, mangrupa sumber kaancuran bangsa katut nagara, sakumaha dawuhan Alloh SWT dina Quran : “Saupama Kami rék ngabinasakeun hiji nagri, mangka Kami baris maréntahkeun ka jalma-jalma nu hirup méwah di éta nagri (sangkan ta’at ka Alloh), tapi maranéhna anggur durhaka, nya geus sapantesna tumerap katangtuan Kami enggoning ngancurkeun éta nagri nepi ka ancur pisan.”(S.Isro : 16). Geus jadi kabiasaan ti béh ditu mula, kaum élit di saban nagara, Manglé 2451 sok ngarasa rugi ku ayana aturan Alloh SWT. Ngarasa kasengker ku hukum Islam. Ngan rék nolak terang-terangan, teu wasa, da haté leutikna ngaku Muslim. Antukna,sok pipilih. Hukum nu karasana hampang, teu ngaganggu kapentingan dirina pribadi, sok ditarima. Tapi hukum nu matak beurat, ditolak sapajodogan. Ngeunaan hal ieu, katangén dina S. An Nur :47-50. Yén maranehna ngaku percaya ka Alloh SWT sarta RosulNa (Muhammad Saw). Ngan lain iman, sabab terus malieus, lamun kudu anut kana hukum-hukumNa. Kajaba lamun ngarasa matak nguntungkeun dirina. Naha haté maranéhna nandangan panyakit? Naha maranéhna mangmang? Atawa kasieunan lamun hukum-hukum Alloh téh matak ngarugikeun? Teuteusingna. Nu jelas, maranéhna kaasup jalmajalma dolim. Lamun “ma-lima”geus nerekab dimamana, éta pertanda bakal ancurna bangsa jeung nagara. Kari nganti-nganti dawuh ti Nu Maha Agung. Nu Maha Kawasa nibankeun azab “ti luhureun sirah” jeung “ ti handapeun suku” (Q.s.al An’am : 65). Numutkeun pamendak Ibnu Abbas,nu dimaksud azab “ti luhureun sirah” téh nyaeta “aimmatus suu-i min umaro-ikum”. Nyaéta para pangawasa bangsa jeung nagara nu jarahat. Tukang milampah “ma-lima”. Ari azab “ ti handapeun suku”, nyaéta “min abidikum wa siflatukum”. Rayat nu bedang wangkelang, sakarepkarep, lantaran taya pamingpin nu bisa dipercaya ngaping ngajaring maranéhna. Niténan kaayaan kiwari, nu geus nerekab sagala rupa kalakuan”ma lima”, meujeuhna lamun urang gancang aréling. Bisi azab Alloh SWT tumiba mantén.*** tina internet 15
  16. 16. Dongéng-Dongéng Pieunteungeun R.H. Muhammad Musa 5. Ucing jeung Titiran Aya titiran, ngaléléwé kalakuan ucing nu unggal poé sok mindah-mindahkeun anakna. Ceuk titiran téh, “Ucing, naha manéh mah loba teuing ceta hayang anak salamet téh? Meureun sangkan ulah dihakan ku musuh manéh nya. Saha anu mapatahan kudu ati-ati kitu téh?” Ucing ngajawab, “Ah kanyaho sorangan baé, euweuh nu mapatahan. Balikanan manéh, da sainget kami tara ieu mindahmindahkeun anak. Nu matak anak manéh mah mindeng aya nu nyokot, boh ku jelema boh ku kami.” Hartina ieu dongéng: Jalanna urang kudu ati-ati téh bisa ku ngawaskeun kasalahan anu séjén. Éta nu ngaranna kapinteran. Nu hadé nu goréng bisa dipaké conto. 6. Beurit jeung Landak Keur usum tiris aya landak jeung beurit cantung. Landak boga paménta, hayang mondok dina liang beurit cantung da hayang nyingkahan hawa tiris. Teu mikir panjang, beurit gancang baé nitah landak sangkan asup kana liangna. Tapi barang geus asup kana enggon beurit, Landak kalah cicing baé teu bijilbijil. Malah tuluy ngeunah-ngeunah baé, depa dina liang beurit. Atuh nu boga liangna téh ngénca ngatuhu kukurilingan teu bisa asup. Tina heurin jeung rungseb ku seukeutna bulu landak. Bororaah bisa cicing, meus-meus kacocog ku bulu sémahna. Beurit cantung kacida kaduhungeunana, rumasa salah teu panjang mikir. Nepi ka antukna beurit téh pok nyarita ka landak , “Ayeuna déwék geus teu betah euy cicing di luar. Ari rék asup ka jero heurin ku silaing da liang déwék téh teu bisa dicicingan ku duaan. Nu matak silaing ayeuna gancang kaluar ti liang déwék!” Tapi landak kalah ngajawab bari seuri, “Saha anu teu betah cicing di jero ieu liang. Untung baé manéh tadi bijil, da déwék mah moal arék nyingkah undur tina ieu liang. Puguh sakieu genahna.” 16 Hartina ieu dongéng: Mun urang rék ngawawuhan jalma, kudu dipikir heula masing asak. Sok réa jalma manggih kasusah lantaran gancang nyobat jeung teu panjang mikir. 7. Embé Badot jeung Sapi Jalu Aya embé badot nu kacida bedasna. Sasama embé atawa dulurna kabéh taya nu kaduga nandingan karosaanana. Nu matak éta embé badot téh jadi sombong, boga rasa euweuh nu bisa ngalawanan manéhna. Malah hiji mangsa mah éta embé badot téh wani nangtang perang ka sapi jalu. Barang papanggih jeung sapi jalu, tuluy anggang-anggangan baé taki-taki, maksud rék neunggar. Sebrut, gapruk sapi jalu téh diteunggar satakerna. Puguh baé embé badot téh ngajurahroh kalenger, satengah paéh. Tandukna remuk. Ari sapi nu teu kuakieu, tuluy baé indit deui. Barang embé badot sadar deui tina kalengerna, aya sobatna, embé séjén, ngaliwat ka dinya. Pok sobatna nanya, “Keur naon euy, ngadon ngajoprak di dinya?” Embé badot ngajawab, “Ah, hayang nyaho baé kana kakuatan awak sorangan. Nyoba-nyoba kabedasan.” Hartina ieu dongéng: kalakuan embé badot téh ngabuktikeun hiji omongan yén nu sombong mah méméh meunang cilaka sok pulutat-polotot. Ari geus cilaka mah sok ngaléhléh. 8. Kaldé, Manuk Gagak, jeung Nu Ngangon Aya kaldé keur nyatuan jukut deukeut tegal. Ditumpakan ku gagak bari macokan kulitna anu babak. Puguh baé kaldé téh nyerieun kacida. Sabisa-bisa manéhna gigibrig sangkan gagak nyingkah tina tonggongna. Tapi gagak téh teu daékeun nyingkah baé. Teu jauh ti dinya aya nu ngangon. Ngan, gagak anu keur macokan téh diantep baé. Ukur dideukeutan, ari digebah mah henteu. Malah mah kalah ka seuseurian bari nempo kalakuan kaldé nu dianggapna ukur sisiwo. Kaldé gegerendeng, “Emh, kanyeri déwék téh jadi dua ayeuna mah. Ari sabab, jalma anu sakuduna nulungan déwék, bet kalah nyeungseurikeun.” Hartina ieu dongéng: Taya nu leuwih nyeri haté kajaba ti dicacampah. Tapi sahasaha anu nyacampah, nyeungseurikeun kanyeri, kasusah, atawa kawirang batur, éta jalma pantes dipikangéwa. 9. Manuk kérak Tinggal Parungpungna Di hiji leuweung aya kérak nu keur muru parungpungna. Ngan baé éta parungpung nu jadi sayangna téh horéng geus dilindih ku ciung. Malah éta ciung téh geus ngendog jeung megarkeun anakna dina sayang kérak. Jangjang anak ciung geus humihid. Ngan baé éta anak ciung téh siga geus teu salabar ngadago usum, geus hayang hiber baé bijil tina parungpung. Dicarék mah dicarék ku indung bapana téh, tapi tara ieuh didéngékeun. Barang kolotkolotna keur pareng nyaba, salah sahiji anak ciung téh kaluar tina parungpung tuluy hiber. Lantaran buluna jangjangna tacan pepek, atuh hiberna ogé teu jauh, tuluy murag kana taneuh. Éta anak ciung téh kapanggih ku budak angon, tuluy dipaké kaulinan. Sukuna nu hiji ditalian ku rara, disangsara sapoé jeput. Barang jangjangna geus pepek, éta anak manuk ciung téh boga karék rék kabur, teu miduli kana sukuna anu dicangcang pageuh pisan. Tapi, manéhna maksa baé hiber sataker tanaga. Enya bisa lesot mah, tapi sukuna sempal sabeulah, tinggaleun dina cangcanganana. Atuh jadi cacad saumur hirupna, sarta jadi ngariweuhkeun dulurdulurna nu welaseun ngurusanan, diperenahkeun dina dungus. Hartina ieu dongéng: Ulah réa teuing mawa karep sorangan mun tacan mampuh katanagaan mah. Dina waktuna meunang sial, jadi apes saumur-umur. (hanca) Manglé 2451
  17. 17. Unpas Ngahasilkeun Lulusan Pinunjul N garengsekeun studi di Universitas Pasundan henteu enteng, butuh karep jeung kadaek ngulik elmu anu daria. Komo dina mangsa kiwari, era globalisasi, persaingan teh kacida beuratna. Ku kituna dina nyanghareupan eta persaingan, lian ti karep jeung kadaek teh, tangtu kaweruh (kopetensi diri) jadi bekel utama anu baris nyumponan harepan. Tangtu, eta kopetensi bakal dicangking henteu ujug-ujug kitu wae, nya dilakonan ku karep jeung perjoangan boh sacara materi boh non materina. Tapi, ku kaajegan jeung kapancegan diri, eta perjoangan teu mustahil, nya baris kapetik naon nu jadi citacita jeung harepan pikeun nyumponan kabutuh hirup sapopoe. Nya dibuktikeun dina wisuda ieu, para wisudawan teh geus nyuprih perjoangan ku elmu pangaweruh anu dikemuna. Eta hal panyumanget jeung bekel kaludeung keur para alumni Unpas ditepikeun ku Rektor Universitas Pasundan (Unpas) Bandung Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusus Sp., M.Si., M. Kom., basa acara wisuda sarjana, magister jeung doctor Universitas Pasundan Gelombang I taun akademik 2013/2014 sawatara waktu anu anyar kaliwat di gedong Sasana Budaya Ganesa (SABUGA), Bandung. Harita Acara wisuda Unpas teh digelar dua poe. Poe kahiji (13/11 2013) wisuda program S1 PSKGJ/PPKHB Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan (FKIP), sarta poe kaduana (14/11 2013) wisuda program S1,S2 jeung S3. Hadir dina eta acara Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan nu oge Direktur Fakultas Pasca Sarjana UNPAS, Drs. H. Makbul Mansur, M.Si., Ketua Yayasan Pendidikan Tinggi (YPT) Pasundan, para senat guru besar Unpas, sarta tamu on- Manglé 2451 Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusus Sp., M.Si., M. Kom., Rektor Universitas Pasundan dangan sejenna. Jumlah wisudawan program S1 PSKGJ/PPKHB reana 1.523 urang, ngawengku ti sababaraha daerah di Jawa Barat, di antarana ti Wilayah Kabupaten Cianjur 104 urang; Wilayah Kabupaten Purwakarta 247 urang; Wilayah Kabupaten Majalengka 242 urang; Wilayah Kabupaten Sukabumi 72 urang; Wilayah Kota Sukabumi 38 urang; Wilayah Kabupaten Indramayu 171 urang; Wilayah Kabupaten Ciamis 264 urang sarta Wilayah Kabupaten Garut 79 urang. Ti sakitu urang jumlah wisudawan, aya 6 urang wisudawan nu meunang predikat unggulan, diantarana Asep Edi ti wilayah Kabupaten Cianjur (nilai sidang 3,84), Ratna Gumilar ti wilayah Kabupaten Purwakarta (nilai sidang 3,96), Dede Komara ti wilayah Kabupaten Majalengka (nilai sidang 3,90), Padilah ti wilayah Kabupaten Suk- abumi (nilai sidang 3,85), Tresna Permata Agustiani (nilai sidang 3,85), Konirin ti wilayah Kabupaten Indramayu (nilai sidang 3,81), Sa’diyah ti wilayah Kabupaten Ciamis (nilai sidang 3,87) sarta Yanyan ti wilayah Kabupaten Garut (nilai sidang 3,85). Sawatara eta, jumlah paserta wisuda program S1, S2 jeung S3 reana 1.213 urang, ngawengku 112 urang ti Fakultas Hukum; 207 urang ti Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik; 128 urang ti Fakultas Teknik; 182 urang ti Fakultas Ekonomi; 394 urang ti Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan; 34 urang ti Fakultas Ilmu Seni dan Sastra; 49 urang Magister Ilmu Administrasi; 38 urang Magister Manajemen; 16 urang Magister Ilmu Hukum; 3 urang Magister Teknik dan Manajemen Industri; 3 urang Magister Teknologi Pangan; 30 urang Magister Pendidikan Matematika; 15 urang Program Doktor Ilmu Manajemen, sarta 2 urang Program Doktor Ilmu Sosial. Rektor Unpas netelakeun, keur nataharkeun pangwangunan nu tuluy-tuluyan, butuh atikan anu jinek. Kitu teh, lantaran pangwangunan ekonomi ge dumasar kana ajen sumber daya manusa. Tumali jeung karep ngawangun sangkan jadi bangsa pinujul, pamarentah ge kudu bener-bener ngupayakeun pendidikan kalayan daria. Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi, M.Si.,Ketua Umum Paguyuban Pasundan nandeskeun, kahirupan kiwari loba nu pikahariwangun. Contona, cenah, pasipatan-pasipatan goreng ge gesu nembrak, saperti mentingkeun diri sorangan, teu ngaharegaan kana proses leuwih mentingkeun hasil, malah kahirupan nu bengis ka sasama ge nembrak naker. Ku lantran kitu, kacida butuhna etika jeung moral agama nu bisa mageran kahirupan. *** 17
  18. 18. P anonpoé nu keur sumedeng mentrangan, mawa hanaang jeung bayeungyang nu teu bisa disingkahan deui. Malah di sabudeureun, kebul knalpot tina mobilmobil nu ngareteyep masih anteng maturan sapangeusi mobil nu harita keur ditumpakan. Teu ngan semet dinya, lampu beureum stopan milu moncorong, mobil ngarengkog eureun dina tengah-tengah keukeupan sarangéngé. Kuring rumahuh. Dampal leungeun ngageberan beungeut. Bari nungguan mobil ngalaju deui, kuring ngalamun, nanggeuy gado dina lawang jandéla mobil. Keur anteng ngalamun, sora supir angkot gigireun kuring ngageuingkeun tina lamunan. “Tos biasa Gasibu mah tempatna macét!” ceuk manéhna méré nyaho ka panumpang beulah tukang nu geus luh-lah ti tatadi. Mémang enya, di Gasibu mah macét téh geus jadi susuguh sapopoé. Ari nu ngalantarankeunana mah, salian ti ku ngahunyudna tukang dagang, sok réa supir angkot nu ngaretém sangeunahna di sisi jalan. ”Naha geus jadi kalangenan, ngetém téh Mang?” ceuk kuring kukulutus jero haté. Basa kuring teu kahaja ngarérét ka beulah katuhu, di buruan Gedong Saté katénjo loba jalma nu ngaliud saraged maraké jas alamamater hiji kampus nu lumayan sohor di Kota Bandung. Hawar-hawar kadéngé tina pangeras sora, wawakil ti maranéhna keur orasi. Najan teu pati kaawas sabab pajuliwet jeung gerungna sora mobil sarta 18 Srikandi Lain Dewi Ku Tatang Zaelani Tirtawijaya sora kalakson nu hayohhayohan tingtaridid, tapi saliwat mah kadéngé tujuan éta aksi téh nya éta nungtut naékna UMR Kota Bandung. Bakatning ku panasaran, kuring teu neruskeun deui lalampahan, malah ngoloyong ngadeukeutan nu keur aksi. Beuki deukeut beuki jelas. Bandéra-bandéra idéntitas organisasi éta massa aksi, tingkélébét di langit Gasibu. Spanduk nu eusina nungtut pamaréntah naékkeun UMR ogé teu kaliwat dibébérkeun ku maranéhanana. Malah nepi ka diacung-acungkeun sagala. Ngahaja sigana mah, ambéh kabaracaeun ku nu laliwat. Keur anteng merhatikeun nu keur aksi, hiji wanoja ujug-ujug norojol kaluar ti tengah-tengah riungan. Panonna cureuleuk. Leungeun kéncana dikeupeulkeun. Sedeng leungeun nu katuhuna nyekel microphone bari teu reureuh ngagorowokkeun tungtutan-tungtutanana. Jujur waé, kuring ngarasa kasima ku sora éta wanoja nu harus ngagulugur lir guludug nu bijil tina jajantung langit. “Hidup Mahasiswa!” gorowok manéhna tuluy diturutan ku jalma-jalma sejénna. Disidik-sidik mah éta wanoja téh lumayan geulis. Malah ceuk kuring mah leuwih pantes jadi béntang film di tipi, batan artis-artis kiwari nu halabhab ku sénsasi. Tapi, nya éta mah pilihan manéhanana. Mémang Manglé 2451
  19. 19. ceuk saliwat mah asa teu kaharti naon nu aya dina pikiran éta wanoja téh. Teu nyaah kana awakna kitu? Kuring teu ngarti. Ngan nu pasti, wawanén jeung dangongna éta wanoja geus mawa lamunan kuring ngulampreng jauh ka mangsa katukang. Ras téh ka dua tan katukang, kuring paamprok jeung Dewi, di kampus. Dewi Puji Lestari, atawa nu sok dilalandi Srikandi jaman kiwari. Dina hal wawanén, Dewi mémang teu béda ti Srikandi. Bédana, Srikandi mah kudu nyanghareupan balatentara perang nu keur tihothat dina Bharatayuddha, ari Dewi mah kudu nyanghareupan rupa-rupa cocoba ti pihak kampusna sorangan. Mimiti ti intervensi panguasa kampus, tepi ka teu dibaturan ku babaturan sakelasna. Kituna téh pédah Dewi dianggap tukang ngagogoréng kampusna sorangan, pédah manéhna resep démo. Ngan, éta cocoba nu karandapan ku manéhna, salawasna disanghareupan kalayan sumerah, ihlas karna Alloh. Jeung mémang kaharti palebah dinya na mah. Tetekon hirup nu dicekel pageuh ku manéhna, salawasna jadi pondasi dina nangtukeun sikepsikepna. Matak teu salahsalah teuing mun manéhna disebut Srikandi jaman ayeuna. Dewi kungsi nyarita basa hiji mangsa manéhna digeroan ku pihak kampus, pédah tulisanana di media massa dianggap ngagogoréng almamater kampusna. Di jero kantor pimpinan kampus, manéhna diségag ku kepala Biro Kemahasiswaan, “Kamu sebaiknya duduk di bangku kuliah! jangan lagi urusi kami!” Manglé 2451 Ku lantaran Dewi ngarasa yakin yén naon nu dipilampahna téh aya dina jalan bener, beungeut kasieun jeung kahanjakal téh teu témbong saeutikeutik acan. Malah kalayan teges manéhna némbal, “Jika mémang saya ditakdirkan kuliah di sini, maka saya akan tetap di sini!” Lian ti anacaman birokrat kampus, pangalaman diintervensi ku dosén ogé geus mineng kaalaman ku manéhna. Inget kénéh waktu manéhna bari semu hulang-huleng nyarita, “Yul, tadi Pa Husen jeung Bu Rina ngomongkeun uing pédah ku uing Pa Husen dicawad pédah tara asup kuliah. Ari ceuk Pa Husen téh, lihat aja pada saat sidang akhir skripsi nanti, anak itu akan saya persulit, dan kalau perlu nggak akan saya luluskan dia!" Sabenerna mah, éta ancaman pihak kampus sarta dosén téh teu sabaraha ti batan tekanan ti jero dirina sorangan. Pangpangna basa kudu ngajawab patalékan-patalékan ti kolot jeung babaturanana, nu karasa leuwih nyiksa batin manéhna, “Iraha badé ngawanohkeun calon téh Nyi?” Tah, patalékan-patalékan modél kitu nu kudu dijawab ku Dewi saban manéhna balik ka lemburna téh. Matak pantes mun manéhna jarak balik ka lemburna. Mémang enya, ti luar mah Dewi téh katempona tanggoh sarta teger. Manéhna teu weléh ngagorowokeun hak-hak mahasiswa nu geus dirampas ku birokrat kampus. Tapi dalah dikumaha, manéhna tetep wanoja biasa, cara nu lian. Wanoja nu teu weléh nalangsa dina umurna nu geus 24 taun can boga waé beubeureuh. Malah sakapeung mah sok aya dina pikiranana rék reureuh bajoang ngalawan kasarakahan. Rék prah baé cara babaturan sakelasna anu hirup normal. Liburan, jalan-jalan, atawa ngan saukur nongkrong di bar ngilikan kaom adam nu bisa diteuteup jeung dilamun. “Naha haram kuring dipikacinta ku lawan jinis? Atawa pédah kuring sok gogorowokan ngabolékérkeun rujadna kahirupan? Atawa boga anggapan yén jalma kawas kuring mah teu becus bobogohan? Teu bisa maén cinta? Hah!” kitu jeung kitu nu sok dibudalkeun dina mangsana manggih guligah téh. Jeung nu moal kapopohokeun mah waktu manéhna ngabagi kasusahna ka kuring. Matana beueus waktu manéhna mimiti nyaritakeun katugenahna, “Yul urang teu apal kudu kumaha? Bulan hareup manéh wisuda, berarti entragan urang téh ngan tinggal uing sorangan deui?” Ngadéngé kitu, kuring malah némbal bari heureuy, “Maenya atuh Srikandi 2013 ceurik?” “Tong nyebut waé uing Srikandi! Uing mah Dewi, lain Srikandi,” ceuk manéhna rada neugtreug. “Nya naon deui atuh nu kurang ti manéh Dew? Sakampus ogé papada apal yén manéh téh Srikandi!” ceuk Kuring. “Kabogoh!” Dewi perténtang motong caritaan. Kuring ngahuleng asa kabéntar gelap tengah poé. “Srikandi mah geus suksés dikawin ku Arjuna. Jajaka nu digambarkeun dina kitab-kitab, sarta caritacarita karuhun kalintang kasép jeung gagahna. Sedengkeun Uing? nepi ka kiwari, can kungsi Uing ngarasakeun éndahna cinta!” Acan gé kuring némbal, pok deui manéhna motong caritaan, “Manéh mah teu apal Yul alesan uing sabenerna kieu gawé téh naon? Ku cara démo jeung akif di organisasi, kuliah uing bakal rada lila, béda jeung manéh, béda jeung nu lian. Éta nu dipiharep téh Yul! Taya lian supaya aya alesan “keur kuliah kénéh” mun ditanya ku kolot iraha rék mawa calon!” Dewi ngabudalkeun pangeusi haténa. Dunya asa ngadadak jempling. Kuring ngarasa bingung. Teuing kudu kumaha peta, da puguh lain kuring nu kawasana. Mun téa mah enya kuring téh Dewa, meureun geus ti baheula manéhna dijodokeun. Moal cara ayeuna, nu kalah kaléngkahan ku adina sorangan nu masih kénéh SMP. Kuring tuluy ngagabrug, nangkeup Dewi pepereket. Sugan ku sugan, manéhna henteu ngarasa nyorangan teuing. *** Hujan ngadadak turun, taya témpo jeung teu méré nyaho. Beuki lila beuki ngagebrét. Langit Gasibu pipilueun mongkléng lir méré iber ka pangeusi dunya, yén hujan moal téréh-téréh raat. Nu darémo patingburiak. Sedeng ngaran Dewi bet kalah ka tetep noélan lamunan kuring. “Dew, keur naon ayeuna? Naha anjeun geus jadi Srikandi sajati?” Ceuk kuring dina pikiran, tuluy nguluyu néangan pangiuhan.*** GegerKalong, 01 November 2013 19
  20. 20. Carpon Ipung Thaifur Abu Yazid Tilu Menit Panungtungan B ari rurusuhan manéhna indit. Poe iei, Dodo kapaksa teu bisa nungguan anakna nu keur dirawat di rumah sakit. Da poé ayeuna téh tim sépak bola nu dilatih ku manéhna aya jadwal tanding nu penting pisan. Ayeuna téh jadwal tim manéhna ngalawan tim Kang Ado, nu ayeuna peringkat kadua. Kang Ado téh séniorna di SSB baheula. Ari dibandingkeun jeung Kang Ado mah ngalatih téh masih kawilang pagawéan anyar keur Dodo mah, da sapopoéna mah Dodo téh karyawan TU di SMP Sindanghayu. Pédah kepala sakola apaleun manéhna baheula kungsi 20 meunang penghargaan tina maén bal, antukna mah manéhna dipercaya pikeun ngalatih tim sépak bola éta sakola. Geus méh sataun Dodo ngalatih téh. Ayeuna kompetisi ngan nyésakeun sapertandingan deui. Préstasina dina ngalatih maén bal kawilang hadé. Bisa ditingali tina peringkat timna nu ayeuna di posisi katilu. Mun ayeuna meunang, tim SMP Sindanghayu téh baris naék ka posisi kadua. Tangtu ari geus kitu mah, bisa miluan kompetisi ka tingkat kota, pikeun marebutkeun saha nu jadi wawakil ka tingkat propinsi. “Ka mana heula atuh, wayah kieu mani kakarék jol?” Kang Ado langsung nanya. “Puguh ieu téh aya kaperyogian heula bieu téh,” témbal manéhna bari rénghap ranjug, ngatur napas. “Si geulis? Kumaha ayeuna? Geus cageur? Dodo kalah ngabetem, teu némbalan. “Sing sabar wéh Do, ngadu’a wéh ka pangéran ayeuna mah sing dilancarkeun urusanna. Tapi hadé eung silaing téh. Sugan téh ngan bisa maénna hungkul.” “Ah da abdi mah ngan ukur nuturkeun naon nu diajarkeun wéh ku Wa Anda baheula. “Nu penting mah urang fair play wéh ayeuna mah, najan ieu kompetisi ulah nepi ka duduluran urang rajét,” pokna Kang Ado. “Kantenan atuh Kang, nya itung-itung silaturahmi wéh ieu mah, friendly match,” témbal Dodo. “Éh, teu bisa kitu atuh, ieu mah marebutkeun juara kadua, béda ari pertandingan persahabatan mah atuh Do, kudu sing bisa ngabédakeun.” “Hé hé, muhun Kang. Hayu ah, dikantun heula. Karunya barudak,” témbal Dodo bari tuluy abus ka lapang, tempat barudak narungguan. Di lapang barudak geus ngariung. Di dinya gé kasampak aya Kepala sakola keur méré wejangan. Meureun keur mapatahan sangkan maénna hadé jeung teu curang. Tina pameunteuna mah barudak téh kacida atohna Pa Kepala datang ka dinya téh. “Assalamu’alaikum,” ceuk Dodo Manglé 2451
  21. 21. “Wa’alaikumsalam,” témbal Pa Kepala jeung barudak méh bareng. “Ti mana Jang, mani kakarak elol?” témbal Pa Kepala. “Ieu Pa, aya wagelan heula bieu téh. Untung wéh tacan dikawitan.” “Oh kitu, nya untung wéh bieu Bapa tiasa sumping saacan dimimitian. Bieu téh ngan mamatahan barudak wéh sangkan maénna aralus jeung jalujur,” témbal Pa Kepala. “Sok atuh ayeuna mah diteraskeun wéh ku di dinya, méh puguh,” pokna. “Muhun Pa,” témbal Dodo. “Tah barudak, sapertos nu bieu dicarioskeun ku Pa Kepala, ayeuna urang kudu maén sing alus. Inget, Disiplin! Éta konci permaénan tim urang! Maén jujur, rapih, disiplin! Ayeuna mah geura pemanasan heula!” Geus dititah kitu mah, jung waé barudak téh narangtung, tuluy pemanasan. Kick off babak kahiji geus dimimitian. Ti mimiti tim SMP Sindangtawang langsung nyerang tim SMP Sindanghayu. Maranéhna maén kalawan rapih, teu jauh béda siga basa di SSB baheula. Tapi barudak ti SMP Sindanghayu gé teu éléh géléng. Maranéhanana maén méh sarua jeung naon diomongkeun ku Pa Kepala jeung Dodo. Kabéh rarapih tur darisiplin. Nu di hareup ampir mampuh ngamangpaatkeun kasempetan nu dibéré, najan masih kénéh bisa ditahan ku musuh. Nu di tengah sabisa-bisa mantuan ka hareup jeung ka tukang. Nu di tukang gé méh bisa nahan sakabéh serangan musuh, malah sakapeung mah milu ka hareup. Babak kahiji geus bérésan. Can aya nu bisa nyitak gol. Skor masih angger kosongkosong. Duanana saimbang. Najan SMP Sindangtawang tuluy nyerang, tapi SMP Sin- Manglé 2451 danghayu gé pertahanna rapih pisan. “Alus! Pola urang engké di babak kadua tong béda jauh jeung nu tadi, ngan omat! Mun aya kasempetan sakumaha waé, urang kudu ngamangpaatkeun éta kasempetan!” ceuk Dodo mapatahan ka barudakna. “Sing inget, kasempetan moal datang dua kali, nu matak urang kudu bisa ngamangpaatkeunana, najan ngan sapersén! Ngarti??” “Ngartos Pa!” témbal barudak méh bareng. “Bener tah naon-naon ceuk Pa Dodo bieu, pokona hidep maénna kudu cara tadi,” Pa Kepala nambahan. “Tapi bapa nyungkeun hapunten ka sadayana, bapa teu tiasa nonton dugi ka réngsé. Bapa aya wagelan, sok sumanget kanggo sadayana. Jeung inget, naon waé hasilna urang kudu narimakeun. Mun meunang tong gedé hulu, mun éléh ulah leutik haté. Salamu’alaikum,” ceuk Pa Kepala, bari tuluy ngaléos indit. * Babak kadua geus asup kana menit ka tujuh puluh lima. SMP Sindanghayu mingpin skor hiji-kosong. Najan kitu, pemaén ti Sindanghayu geus kaciri raripuheun, diserang tutuluyan ku SMP Sindangtawang. Ti Kénca, katuhu, ti hareup tapi untung, barudakna masih kénéh sarigep nahan éta serangan téh. Méh sarua jeung nu di jero lapang, Dodo kacida ringrang pisan. Késang ngoprot saawak-awak. Kalakuanna robah pas SMP Sindanghayu ngasupkeun. Meureun pédah manéhna sieun skorna kaudag ku SMP Sindangtawang. Beng, bola ditalapung ka tengah ku kiper ti SMP Sindanghayu. Ngan hanjakal baladna teu bisa nahan éta umpan, antukna mah beunang ku salah saurang ti Sin- dangtawang. Berebet manéhna lumpat, beng dioper ka babaturanna nu aya di lebah katuhu. Euweuh saurang-urang acan nu ngajagaan manéhna, manéhna langsung lumpat ka asup aréa pinalti. Saurang, dua urang, tilu urang pemaén ti Sindanghayu diliwatan hijihiji. Habek, bola téh ditajong sahabekna. Gol!! Skor sarua, hiji sama. Ti dinya, pola maén barudak Sindanghayu mimiti acak-acakan. Méntalna geus kaserang ti heula, kitu ogé Dodo. Ti luar Dodo tuluy méré sumanget ka timna bari jojorowokan. Menit ka dalapan puluh skor angger hiji sama. SMP Sindanghayu geus ampir kaasupan sababaraha kali, bola nu ditajong téh geus sababaraha kali kana tihang gawang, ari geus mental tina tihang mah beng wéh ditalapung deui ka hareup. Teu karasa, geus menit ka salapan puluh deui. Wasit méré waktu tambahan tilu menit. Kabéh nu aya di lapang geus teu ngeunah cicing, komo nu keur maraén mah, kaasup pelatihna. Geus kitu mah Dodo ménta ka wasit pikeun ngagenti salah saurang pemaénna. “Mad, ieu téh tilu menit panungtungan. Pemaén séjén geus tarurun méntalna, hidep kudu bisa ngahudang deui méntal nu séjén. Sing tenang, sing apik. Jug!” ceuk Dodo mapatahan Ahmad.Teu salah Dodo ngasupkeun éta budak dina menit-menit panungtungan. Kaciri manéhna bisa maén kalayan tenang tur rapih. Pas dina menit ka salapan puluh dua manéhna bisa malikeun kaayaan jadi duahiji. Najan geus kitu, Dodo masih angger hariwang. ‘Priit!!’ wasit niup piriwit. Pertandingan bérés, skor ahir dua-hiji, SMP Sindanghayu hasil asup ka tingkat Kota. Barudak SMP Sindang- hayu ajret-ajretan aratoh. Di sisi lapang, kaciri Dodo leuleus pisan. Najan geus meunang, angger manéhna ngarasa ringrang. Teuing pédah naon. Geus kitu mah, bring barudak SMP Sindanghayu saabringan lalumpat nyampeurkeun Dodo. Kapaksa manéhna neundeun heula rasa karingrangna. “Ah, moal aya nanaon sugan. Pédah atoh wéh ieu mah,” ceuk Dodo na haté. Keur anteng-antengna ngarayakeun hasil ahir pertandingan, ‘nging’ téh HP disada. Horéng pamajikanana nu nelepon. Barang diangkat, na HP kadéngé sora nu keur ceurik. “Kang, ieu si Enéng Kang!” ceuk pamajikanna bari sumegruk ceurik. Ti dinya Dodo geus teu ngeunah haté, sarwa salah. Rék balik barudak euweuh nu nungguan, mun teu balik da sieun kukumaha. Curucud, panon Dodo mimiti reumbay cimata. Ningali Dodo kitu, jep wéh, barudak téh jarempling, lir gaang katincak. Ti kajauhan Kang Ado ningalikeun manéhna, bangun nu apal kana naon-naon nu geus karandapan. “Tos wéh Néng, keun kedap deui Akang wangsul,” témbal Dodo, bari nyusut cipanon. Ti kajauhan Kang Ado nyampeurkeun manéhna. “Geus, ayeuna mah geura mulang wéh. Keun masalah barudak mah ku Akang wéh,” pokna. “Muhun atuh Kang, puntennya,” témbal Dodo bari tuluy ngaléos indit. “Geuning, tilu menit panungtungan nu dipikahariwang ku Dodo téh lain keur hidep hungkul, tapi keur manéhna ogé,” ceuk Kang Ado ka barudak SMP Sindanghayu. Barudak mah kalah silih pelong bari teu ngarti.*** Bumi Siliwangi, 25 Séptémber 2013 21
  22. 22. Sabot Nungguan Budak Sakola Ku : Nyi Roro P aneuteup Indira katempo ngulincer. Sanggeus ningalieun ka kuring nu keur no’ong dina jandéla kelas mah, Dira tuluy ngadadahan. "Mamah!", najan teu kadéngé, tapi kagambar tina embut biwirna. Kuring ukur imut, bari ngabales ngadadahan. Rét kana arloji, aya kénéh waktu sapuluh menit deui pikeun barudak kaluar ti kelas. Kabeneran poé éta aya ekstra kurikuler; Dira miluan penca silat. Kuring ngahaja mawa sangu dina misting. Deungeunna endog ceplok dikécapan, 22 karesep Dira keur dahar beurang. Léos, kuring nyampeurkeun bangku panjang paragi nungguan kolot-kolot murid nu mapagkeun anakna. Nyéh, kuring imut bari manggut ka nu araya di dinya. "Héy, mamah Dira mani nembé hol. Ka mana heula atuh?" Mamah Ratih nanya. Di sakola mah ari nyalukan ibu-ibu téh sok ku ngaran anakna baé. "Biasa wé Mamah Ratih, abdi mah masak, pépérén sareng ngahuapan si Dédé heula, ambih engké dugi ka rorompok kantun ngurus Dira," ceuk kuring bari gék di juru, da nu kosong ngan di dinya. Ti saprak ngalahirkeun anak nu kadua, kuring eureun digawé. Kahayang mah kawas batur, angger jadi wanita kaririweuh. Enya, riweuh pisan. Nya di imah, nya di kantor. Tadina mah budak téh sok dipihapékeun ka indung kuring, tapi pidua bulaneun kuring rék ngalahirkeun, anjeunna nilar dunya. Paralun, kuring lain ngagawékeun nu jadi indung, anjeunna ngan saukur mangnalingakeun. Da kapan réncang mah aya. Jaman kiwari téa, hésé néang réncang nu bisa dipercaya. Majalah nu dikeukeuweuk ti tatadi dibukaan. Maksud téh asa mending maca tibatan ngawangkong ngalér-ngidul jeung ibu-ibu nu séjén. Komo bari ngomongkeun batur mah, dosa téh beuki ngagugunung wé. Kuring mah leuwih resep kénéh maca, kanyaho jadi nambahan. "Mamah Yopie, katarima BBM ti abdi?" ceuk Mamah Ratih. "Oh, nu éta? Enyalah hayu rék arulin mah, grup BB urang wé. Da hésé ngabéjaanana ka nu teu boga BB mah!" témbal Mamah Yopie, bari sorot panonna ngulincer. “Nya teu boga BB, Android gé ayeuna mah geus bisa BB-an,” ceuk mamah Riki. Saharita langsung sahéng mairan. Ngadéngé nu bieu mah, kuring gé maksakeun ngalieuk. Mani nyolok mata buncelik, ngajakan téh ka ibu-ibu nu miluan grup BB wungkul. Teu ngabibisani, teu boga BB téh asa tinggaleun iber. Sakapeung aya pelajaran atawa tugas sakola nu kudu digawékeun ku Dira, teu digawékeun da ku teu nyaho téa, sabab iberna ngaliwatan BB. Rumasa hapé kuring mah ngan saukur hapé jaman baheula. Nu penting mah bisa dipaké nelepon jeung sms-an. Teu éléh déét, kuring remen neleponan guru-guru Dira, sangkan teu tinggaleun iber PR jeung tugas. Hanjakal, poé kamari hapé kuring murag ku salaki. Ancur teu bisa dikukumaha. Karék engké mun gajihan digantianana, éta gé mun teu pabetotbetot jeung resiko dapur. "Mamah Riki, cik geura tingali baju abdi na photo profile BB, alus nya?" ceuk mamah Yopie hayang katangar. Mamah Riki tungkul ningali hapéna. "Éh, enya wé... ni alus Manglé 2451
  23. 23. kieu Mamah Yopie. Meulina di mana?" "Aya wéh, engké ku abdi diajakan ka tokona. Ieuh, jadi awéwé mah kudu seungit, geulis luis, baju tong randatdat-randutdut. Kudu mécing ciga abdi, jaba bermerek yeuh!"ceuk Mamah Yopie semu ngadelék ka kuring. Awakna dilenggiklenggik. Puguh baé ku ibuibu pada ngaleprokan, Mamah Yopie beuki motah, asa diulangtaunkeun. Beuuu... dihenteu-henteu ogé Mamah Yopie téh teu resepeun geuning ka kuring? Hadas naon atuh nya? Rumasa, kuring mah ari mapagkeun budak téh teu cara maranéhna, mani sok garinding jiga nu rék ka pasamoan. Kuring mah cukup ku kaos leungeun pangjang atawa jékét. Ka handapna calana panjang. Sirah dibunian ku tiung geblus. Riungan jeung ibuibu kitu téh sakapeung mah sok jadi ajang mintonkeun kaboga. Masing teu ditanya ogé, ujug-ujug breng nataan imahna di anu... di anu... Mobilna kaluaran paling anyar, manéhna maké merk anu, salaki jeung barudakna merk anu. Katambah tanah jeung sawahna nu méh di mana-mana. Geus puguh ari nu patinggurilap dina awakna mah, mani sangorong siga toko emas maju. Teu karasa kuring ukur cungeukngeuk ningali dangdangan Mamah Yopie. Kaméja gumbrung kembang-kembang badag kelir bungur ngora dipasangkeun jeung léging bungur kolot. Tiung bungur kolot dibulat-beulit jeung kelir bungur ngora jiga kaom hijaber barudak ABG. Teu poho selop jangkung, kelirna gé pulas bungur. Saréréa geus arapal, unggal dangdan Mamah Yopie mah kudu baé “matching”. Sabenerna mah kuring gé sok kapikiran hayang dang- Manglé 2451 dan. Heung kelirna diluyukeun ti tiung nepi ka dampal suku jiga batur. Tapi, ceuk kuring mah nu ngaranna nganteur jeung mapagkeun budak sakola lain waktuna keur dangdan béak karep. Sok wé, da moal méakkeun waktu leuwih ti sapuluh menit. Barina ogé anggangna imah ka sakola ngan ukur 200 meteran. Kitu gé ngan saelol dina panto gerbang wungkul. Ongkoh teu cara kuring basa keur digawé kénéh, rék meuli naon baé sakahayang kuring gé laluasa, da gajih nu sorangan ieuh. Ayeuna mah kuring teu téga ka nu jadi salaki, nu kari sorangan tihothat néangan napkah. Piraku teuing ku kuring kalahka dimonyah-monyah keur meulian barang nu teu pararuguh bari jeung ukur hayang katangar ku batur. Kuring kudu ngawayahkeun manéh, loba nahan napsu. Téng! Téng! Téng! Sora beusi buleud di hareupeun kantor guru geus ditakolan, ciciren barudak geus meunang baralik. Brul, barudak ngaburudul ti lawang panto. Pahibut, paheulaheula néang nu mapagkeun. Tapi aya ogé nu baralik sorangan atawa ngabring jeung babaturanana, ninggalkeun kelas nu beuki lila beuki kosong. “Mamah!" Indira ngajorowok muru kuring. Rikat, Dira ngarawél leungeun katuhu kuring tuluy diadekkeun kana tarangna. Keur kitu, Bu Siti wali kelas Dira ngaliwat. "Bu..." kuring nanya bari rengkuh. Bu Siti sarua rengkuh bari imut. Tadina mah kuring hayang ngobrol rada panjang, rék nanyakeun kumaha kaayaan Dira di kelas. Tapi Bu Siti leumpangna semu nu rusuh, sigana mah pedah kudu buru-buru balik deui ka kelas, rek ngajar deui barudak nu asup beurang. Antukna kuring ngajak Dira ka bangku di handapeun tangkal kérsen, di sisi lapang upacara. "Sok bageur, geura emam heula, lapar. Énggalan, ambih teu tinggaleun ku batur latihan pencana," ceuk kuring tuluy ngasongkeun misting ka Dira. Bari nungguan Dira dahar, kuring niténan kaayaan sakurilingna. Barudak lalaki keur aranteng maraén bal, sawaréh lalajo di sisi lapang. Barudak awéwé keur arocon bari saleuseurian. Aya nu anteng baé ngome hapé, aya nu gagambaran baé. Aya nu nganyoh-nyoh barang dahar baé bari leungeunna ranggém ku jajanan. Éh, itu siga Mamah Yopie? Naha can balik? Da asana mah Yopie téh teu miluan penca? "Énggal Yopie, urang aruih! Mamah aya peryogi!" ceuk Mamah Yopie ngabebetot anakna bari semu nyureng. "Ké heula Mamah... kedap deui!" ceuk Yopie bari muru deui ka babaturanana. "Mamah Yopie, can uih?!" kuring ngagorowok. Mamah Yopie ukur kunyem. Buru-buru manéhna ngabetot deui budakna, ayeuna mah hasil. Panon kuring nuturkeun leungitna Mamah Yopie nu kaluar ti komplék sakola tepi ka satengah lumpat. Budakna tibabaranting nuturkeun ti tukangeunnana. Aya anu matak hémeng katingali tina dangdanan Mamah Yopie, tapi naon nya? Weléh teu kapikir. Ah, paduli teuing, kateuteuari kalahka mikiran batur. "Mah, atos emamna nya? Wareg," ceuk Dira ngagareuwahkeun lamunan kuring. "Muhun, sok geura gen- tos acukna ku acuk penca," ceuk kuring, bari song ngasongkeun cai nginum. Geus bérés Dira disalin mah, kuring tatan-tatan rék balik heula ka imah. Sajam deui, balik deui ka sakola mapagkeun Dira. Basa kuring rék ngaleos pisan, kadéngé sora Bu Siti norojol tina panto kelas, nanyakeun ka ditu-ka dieu, "Aya nu ningali tas Ibu?... Ningali tas Ibu teu? Tadi mah aya dina korsi..." ceuk Bu Siti nanya ka barudak. Nu ditanya némbalan ukur ku teu terang atawa ukur ku gideug. Bu Siti geumpeur. Teu lila, rob guru-guru jeung kepala sekolah nyalamperkeun Bu Siti, kuring gé milu nyampeurkeun. "Di mana icalna Bu?" ceuk kepala sekolah. "Di kelas Pa, waktos tadi abdi ngadeuheusan Bapa di kantor sigana mah. Da wangsul ka kelas téh tos teu aya..." "Naon waé lebetna?" "Biasa baé Pa, kaperyogian abdi sadidinten di kelas. Nu abot mah hapé sareng tabungan barudak sasih ayeuna. Haduh, kumaha ngagentosanana?" ceuk Bu Siti rawah-riwih. "Ké Bu, ari kantong ibu kelir kumaha? Wangunna kumaha?" salah sahiji guru nanyakeun. "Kelir kopi..." ceuk Bu Siti bari asup sakeudeung ka kelas. Jebul deui mawa kertas jeung pulpen, kantongna digambar kalawan jéntré. Tas merk Louis Vuitton. Kuring ngahuleng. Ujugujug inget kana kalakuan Mamah Yopie nu buruburu incah. Kelir kantongna nu pinuh ku aksara L ngait kana aksara V teu luyu jeung kelir baju tur sapatuna. ***** Saung Indung, 2 November 2013 23
  24. 24. Ririwa di Pakemitan Ku Féndy Sy. Citrawarga M aotna mah Mang Sarip téh tadi beurang kira tabuh tiluan. Teu agéagé dikurebkeun cenah ngadagoan Si Onah, anakna anu dibawa ngumbara ku salakina ka Surabaya. Sok padahal Ajengan Arif geus ngawawadian sangkan layon buru-buru dikurebkeun. Bi Mamah, pamajikan Mang Sarip, tadina mah rék kumaha alusna ceuk ajengan baé ngan Si Onah hayang nénjo heula beungeut bapana. "Ulah waka dikurebkeun Ema, wios énjing!" ceuk Si Onah dina HP. Teu majar kumaha, ajengan gé antukna mah nurut. Pangémutna, nepikeun enggeus diturut jeung henteuna mah kuma dinya. Atuh layon téh sina ngajepat baé di tengah imah sabada dipulasara sakumaha mistina mah. Enya, isukan kari ngurebkeun da ari liang kaluat mah ti barang gujrud Mang Sarip maot gé geus dikali. Umumna urang lembur, angot dikokojoan ku tokoh anu ngarti kana harti fardu aén, nalika tumiba papait téh tara léléwodéh. Boro kasaksi ahli tajug, leket solat rikat zakat, dalah ka jelema biasa nu ukur ngaku Islam bari kana solat belangbetong malah tampolana ukur taun kali ari sunah lebaran ogé wuwuh kawajiban fardu aén téa. Enya, 24 kawajiban anu lamun teu dipigawé bakal dosa saréréa, anging aya salasaurang anu migawéna, siga kapapaténan. Nilik saréatna mah umur Mang Sarip téh can kolotkolot teuing. Kitu lah tengah tuwuh punjul genep taunan. Orokaya ririwit, tiktikbrek. Kilang kitu ka sawah atawa ka kebon mah tara beunang dihulag ku Bi Mamah téh . Abong urang lembur, basana kaluman cimekblek di imah téh. Atuh ari cageur meueusan, telenjeng deui ka sawah atawa ka kebon. Untungna sawah jeung kebonna téh teu jauh ti lembur. Cara poé tadi, rebun-rebun geus miang ka kebon. Teu barang bawa dahareun da basa ku Bi Mamah rék dibahanan dahareun bisi lapar téh kéképéhan. "Moal lila rék ngaroris cau bisi ku cocodot." "Heueuh atuh mawamawa cai sakempis mah bisi hanaang." "Moal ah, mihapé imah wé!" "Naha da moal aya nu ngaringkid imah mah. Anggur manéhna nu kudu atia-ati. Kadé ulah tuaktaék!" Teu némbalan. Kencling miang dijajapkeun teuteup Bi Mamah. Tepi ka lawang pager, tara-tara ti sasari Mang Sarip ngarandeg heula, malikkeun awak. Bi Mamah ngajanteng kénéh na lawang panto. "Kadé imah!" pokna deui "Heueuh!" témbal Bi Mamah bari teuing kila-kila naon nyaritana kitu téh karasa aya nu nyeuit dina haténa. Aya rasa melang. Éta meureun duméh Mang Sarpi téh geringan, malah ayeuna gé can cageur pisan. Kencling ka kebon. Sadatangna, lunga-lengo ngaroris pepelakan. Enya baé cau loba nu ku cocodot, najan henteu ari nepi ka purugul mah. Aya kénéh keur nu melak. Pajar teu butuh ku cai keur nginum da basana moal lila. Hih, baning usakusik tikoro laun-laun karasa tuhur. Bet hanjakal teu narimakeun kahéman pamajikan. Marengan panonpoé hanjat, tikorona karasa beuki ngolétrak. Rék buruburu balik kagok ku hanca pagawéan, ngayuman pager. Ditahan-tahan kalah asa beuki kasiksa. Ras kana tangkal kalapa, tanggah. Duwegan ngagupayan. Lakadalah, haté Mang Sarip surak. Tapi dumadak murengked da apan kudu ditaékan. Mani euweuh titaheun. Antukna gilig seja metik nu ngagupayan. Angsrod, angsrod, naék. Beuki luhur, beuki luhur. Na atuh sirahna ujug-ujug asa muih, lieur, katurelengan. Teu tahan, turun deui tuturubun. Ilang kasadaran, koléang...gubrag nyinekel kana batu. Les! "Mang, Mang Sarip!" gorowok Mang Tanu nu pareng ngaliwat balik ti sawah gegeroan barang nénjo aya nu ngagebut lebah tangkal kalapa di kebon Mang Sarip. "Tuluuung...!" gancang ngagorowok deui ménta tulung. Hadéna aya nu ngadéngéeun. Nya padanulungan, dibawa balik. Aya kénéh rénghap basa di jalan mah. Ngan sanggeus datang ka imah geus teu empés-empés deui. Nénjo kaayaan kitu, Bi Mamah tiba ngajerit bari ngagugulung layon Mang Sarip. Ceuk nu percaya mah cenah Mang Sarip téh maot baseuh da apan maot ngadadak alatan ragrag. Pangaruhna sok matak noélan punduk. Ka dituna sok gaplah lumaku. Siga rék kemit, apan réa nu tingpurungkut. Tapi, karunya ari Bi Mamah kudu cinekul kemit sorangan mah, angot alesanana ukur sieun dijungjurigan mah. Nu matak, enya nu borangan jeung héngkér imanna, sieun-sieun ogé maksakeun. Enya, cara Hansip Ukar, Mang Tarno, Kang Juhé, Wa Kardi. Tatangga-tatangga almarhum. Ti magrib kénéh langit geus mongkléng. Lain ukur poék katarik wanci, tapi ku méga hideung nu ngaburayot ku pihujaneun. Da jeung saenyana, basa ngong adan isa, hujan bahé lir dicicikeun ti langit, dibarung gelap dor-dar. Manglé 2451
  25. 25. Nu tadi-tadi geus nawaétu rék kemit, sawaréh marulang ka imahna, basana bisi aya kenténg bocor. Demi Hansip Ukar, puguh mancén intruksi RW, wajib cicing. Untung wé Kang Juhé, Mang Tarno, Wa Kardi daékeun maturan. Pribumi gasik nyieun cikopi, golosor leunjeuran durukeun. Hawa tiris peuting kausir meueusan ku cikopi panas jeung udud. Orokaya hujan mah can raat. Opatanana jarongjon di téras. Dititah ka jero ku Bi Mamah marugen. Padahal di téras téh sawér. "Di jarero atuh ngopina!" ceuk Bi Mamah. "Di dieu wé Bi ah, hareudang," ceuk Kang Juhé ngabodor. Moal enya hujan ngecrek hareudang. Nu sidik mah basa nénjo layon nga- Manglé 2451 jepat, bulu pundukna carungkedang. Kapeutingnakeun hujan ngaleutikan, tapi ngecrek. Nu kemit tinghariul, asa teu puguh laku pajah téh. Cikopi kari gegedohna, ududeun kari kuntung jeung calacah, numpuk na asbak. Angin nu nyéor, hawar-hawar sora anjing babaung karasana ku nu kemit asa noélan punduk. "Yu ah uang ngusir tunduh," ceuk Kang Juhé basa dina suku méja katénjo aya kartu gapléh. "Aya nyah kartuna?" Haréwos Hansip Ukar. "Tuh!" Juhé nuduhkeun kartu na méja di rohang tamu. "Sok atuh!" Hansip giak da enya atuh asa teu puguh laku jaba tunduh. "Henjung ka ituh cokot!" Kardi ngajurung-jurung Juhé. Nu dititah mugen da puguh ti émpér atawa téras jeung ti rohang tamu téh nu ngajepat atra katémbong. "Leutik burih!" ceuk Hansip Ukar. Kilang kitu manéhna gé ngompod. "Heueuh, hencig atuh!" Mang Tarno nyurung-nyurung tonggong Hansip Ukar. Tapi kalah undur-unduran. "Kalah wé pangkat hansip!" ceuk Mang Tarno deui. Dikitukeun teuing mah Hansip Ukar ngarasa kasigeung. Kapaksa ngajurungkunung, tapi tiba ngoron dang bari culang-cileung ngodomang nyokot kartu gapléh. Nénjo kartu gapléh, mata nu opatan calenghar deui. Juhé ngocok kartu. Hujan can raat, anjing babaung wuwuh matak mur- ingkak, tapi ku nu garapléh teu ditolih. Mimitina taya sora nanaon ti nu garapléh téh. Areling keur kemit. Nunda kartu jajauheun tina ulin beubeut sahabekna cara sasari. Nu matak, angger wé karasa combrék. Tapi, lilalila mah kadéngé tingkareplék sora kartu nu meubeut bari dituturkeun hohoak! Lat, keur kemit. Saruhud bangun sujud kana kartu. Hujan geus raat. Sora kartu nu meubeut beuki témbrés. Bi Mamah nu dibaturan ku tatanggana papada awéwé teu bisa kukumaha ngadéngé nu keur garapléh téh. Beuki lila nu gapléh beuki segut. Kadéngé aya gakgak, aya rahuh. Nepi ka basa Hansip Ukar ngarérét ka tengah imah, pas lebah layon ngajepat nu maksudna mah rék ménta cai ka pribumi, manéhna calangap basa nénjo aya pocong nguniang. Laju nepakan tuur baturbaturna sina nénjo nu nguniang. Enya, teu salah nu ngajepat hudang. "Ri, ri, ri, ririwaaa...!" kocéak nu opatan ngajerit. Kituna téh bari laluncatan ninggalkeun téras. Awahing rusuh bari geumpeur campur sieun, lumpatna teu tarapti. Saréréa tingjurahroh. Aya nu tisorodot, aya nu titajong, aya nu nabrak tangkal rambutan, aya ogé nu tijalikeuh. Nu di jarero imah tiba mésem. "Teu eucreug pisan, ngaradon gapléh di pakemitan," ceuk ririwa, aéh saur Ajengan Arif. Horéng lain ririwa nu ngajurungkunung téh, tapi Ajengan Arif. Basa anjeunna ngontrol wengi-wengi seja kemit, nyampak nu garapléh. Asa teu pantes, nya anjeunna ngetrokan panto dapur laju ngedalkeun pamaksudan ka Bi Mamah, nginjeum mukena. "Urang warah!" saurna.*** 25

×