2. Nganti Kasoléhan Sabada Kurban
I
dul adha sok disebut ogé idul kurban, lantaran dina
poé éta disunahkeun meuncit héwan kurban. Tujuanana, lian ti taqorrub (deukeut) ka Gusti Alloh (habluminalloh), ogé geusan nanjeurna kasoléhan ka papada
jalma (habluminannas). Nurutkeun hukum syar’i udhiyah
mah teu aya robahna. Saban taun, cara jeung héwan naon
baé apanan henteu robah. Sedengkeun nu kudu robahna
mah nyaéta hikmahna, diantarana ngukur kamampuh
umat dina ningkatkeun kasoléhan sosialna.
Kasoléhan tangtu datangna kudu ti pribadi-pribadina.
Kituna téh luyu ogé jeung kurban nu kalebet ibadah nafsiah téa. Anapon kitu, saréngséna ibadah kurban kadituna
mah tangtu nu dianti-anti téh kasoléhan téa.
Para Mitra Manglé,
Upama hiji jalma geus daék ngalaksanakeun kurban
luyu jeung kamampuhanana, tangtu kaasup jalma nu
mampuh ngalaksanakeun saréat jeung geus daék ‘ngaleupaskeun’ hakna demi ngalaksanakeun kawajibanana.
Aya teuleumaneun satukangeun daékna kurban; aya
surahaneun satukangeun daékna ngalaksanakeun aturan.
Kurban nu sarimbag jeung kecap ‘korban’, butuh kaléahan
haté dina ngalaksanakeunana. Da, hartina gé daék korban
téh, tangtu daék ‘rugi materi’, demi kasenangan jeung kamaslahatan pihak séjén nu bagéan tina kasoléhan téa.
Pangorbanan, bisa rupa-rupa. Harta, tanaga, jeung
pikiran. Nu boga harta bisa ngorbankeun hartana, nu gedé
tanaga bisa ngorbankeun tanagana, kitu deui nu boga
élmu jeung pangaweruh bisa korban ku élmuna.
Pangorbanan, moal leupas tina ‘ukuran’ ajén-inajén
manusa. Atuh, upama pangorbanan dipapandékeun kana
ngaleupaskeun sabagian hak-hak pribadi, hartina ogé nu
daék korban mah, daék mikeun hak pribadina. Ka dituna,
mun dirina geus daék ngaleupaskeun (sabagian) hak
pribadina, hartina ogé moal daék ngarebut hak-hak nu
lian. Cindekna, kasadaran daék korban, bakal jadi pamager dirina tina paripolah nu baris ngarampas hak-hak
pihak séjén. Margi kitu, tangtuna waé sabada kurban, pasipatan-pasipatan jalma nu daék kurban demi nanjeurkeun
kasoléhan kacida dianti-antina. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 20
Perang Potret
5
TAMU
Mang Iding jeung baturna tiluan, keur
husu masang-masang spanduk nu dipakukeun kana tangkal mahoni sisi
jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah
Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung deuleu.
Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang...
Drs. Adang Muhammad Tsaury , M.Pd.I;
Neruskeun Tapak Lacak, Ngokolakeun Atikan Islam
LAPORAN
Ngajaga Lembur
Nguatan Kamandirian Rahayat ........... 8
SAJAK
Élégi
Ari Andriansyah .............................. 12
Lagu Parongpong
Arom Hidayat ................................. 23
PURIDING PURINGKAK
Potret : Reisyan
Neang Paraji
Rian D Firdaus ............................... 24
S
ekarManglé
SYARAH
Panata Rias&Raksukan:
HOUSE OF DO’I KEBAYA
Jl. PHH. MUSTOPA NO. 96
CP : 082115276504 –
087825674908
PIN BB . 28F17AD4
BAHASAN
Basa Sunda di Peuntaseun Cipamali
Distam ............................................ 42
Nu Moal Hilap:
Pitulung Allah Swt Waktu Tawaf
H. Mohamad Surya ......................... 48
Awéwé
Anton Chekhov ................................... 22
Handphone
Hikmat Nugraha ................................... 26
Mayit Luhureun Kuburan
MamanRachman ................................. 30
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
IMPLIK-IMPLIK
Domba Mini
Ti Pangabenan ka Galeri ................. 46
CARITA PONDOK
Helli in Memoriam
Rizky Prasasti Anwari ....................... 20
Carita Sarebu Samalem (177)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (16)
M.A. Salmun
............................................................. 12
4. Teu Jujur
D
ina taun 2012-2013 kanyahoan aya 400 perguruan
tinggi swasta anu teu jujur.
Kanyahoanana téh dina prosés
sértifikasi dosen, boh dina malsu
dokumén boh plagiat jurnal ilmiah.
Éta katerangan téh ditétélakeun ku
Supriadi Rustad, Direktur Pendidik
dan Tenaga Kependidikan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi
Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. Jadi, resmi pisan.
Ari anu ngaranna lembaga
pendidikan, nya taya deui tugas
utamana téh iwal ti ngadidik.
Hartina
ngajalankeun
prosés
pendidikan, ti mimiti tingkat anu
panghandapna nepi ka tingkat anu
pangluhurna. Ari anu kudu
ditepikeun salila lumangsungna
prosés pendidikan, nya taya deui
iwal ti anu balener. Ari anu bener
téh perenahna pagigir-gigir jeung
anu jalujur. Ari ayeuna kanyahoan
lembaga pendidikan tinggi téh teu
jujur. Hartina nya teu bener téa.
Cenah éta anu kanyahoan teu jujur
téh lembaga pendidikan tinggi, lain
hartina lembaga pendidikan anu
aya di sahandapeunana jalujur.
Ku tina sakitu gé geus aya
kelemengna, naon sababna kaayaan
urang jadi saperti kieu. Naon
sababna pangna Akil Mochtar,
Ketua Mahkamah Konstitusi, kacerek pisan keur narima suap. Naon
sababna imah Wali Kota Tangerang
Selatan pinuh ku mobil-mobil
méwah. Naon sababna pangna Jendral (Pulisi) Djoko Susilo kacida
beungharna. Padahal maranéhna
téh lain jalma joré-joré. Pangkatna
Manglé 2446
laluhur, atuh pendidikanana gé
apan nepi ka tamat ti perguruan
tinggi.
Naha pangna nepi ka bisa kituna
téh lantaran salila sarakola jeung
kuliahna maranéhna kungsi diajar
élmu ngeunaan korupsi jeung
kumaha carana ngagasab duit nagara? Tangtu henteu persis kitu. Ngan
lamun dina enggoning prosés lulusna téa maranéhna nepi ka dibélaan
teu jujur téa, nya meujeuhna lamun
ka dituna ogé moal bener.
Guru-guru jaman béh ditu mah
sok ngibaratkeunana téh basajaan
pisan. Barudak anu mimiti arasup
ka sakola téh cenah lir ibarat keretas anu bodas beresih. Salila di
sakola maranéhna bakal diwarnaan
ku guru-guruna. Ngawarnaanana
nya ku rupa-rupa élmu.
Ari rupaning élmu anu diajarkeun di sakola tangtu wé
kabéhanana gé alus jeung bakal
aya mangpaatna. Kitu soténan
lamun prosésna ogé bener. Bener
nu ngajarkeunana, bener nu
dialajarna.
Ari ceuk Direktur Pendidikan
dan Tenaga Kependidikan Supriadi
Rustad téa, aya 400 lembaga
pendidi kan swasta anu teu jujur.
Éta téh tina jumlah 3.000 perguruan tinggi swasta nu aya di Indo nésia. Hanjakal Bapa Direktur
Pendidikan henteu nyebutkeun
naha ari perguruan tinggi negri
mah henteu kitu?
Ari dosen apan tugas utamana
téh ngajar. Lamun dirina sorangan
geus teu jujur kumaha teuing atuh
ka mahasiswana?
Ieu téh masalah anu kacida
serieusna. Ulah diantep. Kudu
buru-buru kanyahoan naon anu jadi
sababna. Lamun nilik kana nu
kajadian ayeuna, anu jadi pangbibitana téh sértifikasi dosen. Tujuanana mah hadé sértifikasi guru jeung
dosén téh. Pamaréntah nyadiakeun
imbalan panghasilan ka sakur guru
jeung dosén anu préstasina nyongcolang. Ari nyéléksina nya ku jalan
sértifikasi téa.
Ngan hanjakal, dina prakna mah
nu ngaranna prosés sértifikasi téh
henteu sakumaha anu dirarancang
ti awalna. Lantaran sing saha anu
geus lulus sértifikasi bakal meunang
panghasilan anu leuwih gedé ti nu
biasana, nya saréréa silih bantuan.
Disebut saréréa téh lantaran loba
anu kalibetna. Ti mimiti anu panghandapna nepi ka anu pangluhurna. Balukarna, nya prosés
sértifikasi téh teu jujur téa. Geus
kanyahoan ayeuna mah. Tinggal
masalahna, naha rék diantep sina
terus kitu atawa aya upaya-upaya
pikeun ngeureunkeunana. Lain
prosés
sériifikasi
anu
dieureunkeunana téh. Ieu mah
kudu aya tarékah anyar sangkan
jujur jeung bener téa.
Lebah dieu, teu mustahil bakal
loba anu ngahuleng. Dina pajamanan anu saperti kieu, naha bakal
bisa kénéh lamun aya anu bener
jeung jujur? Kudu percaya, anu
jujur jeung bener téh geus aya, ngan
tacan loba. Nu matak éta anu tacan
loba téh ku saréréa kudu dideudeul,
dihatéan jeung dibéré kasempetan
pikeun ngalalakon. AM
3
5. Sipat Siliélédan, Kamanakeun?
Sampurasun!
Bangsa Indonesia nu
soméah hadé ka sémah, nu
silihélédan, ngaluhurkeun
siliharegaan, jigana méh
sirna, kaléléd ku harakna
hubuddunya. Balukarna
pasipatan urang jiga nu
leungit komara. Kasaksén
pisan dina sagala widang.
Dina widang politik mah
geus karuhan, geus patulayah jalma-jalma nu tiap
poé salin rupa jeung
sipatna. Da, cenah ari dina
politik mah, lamun teu
licik moal genah. Beu!
Meureunan jalma nu cicing dina politik, boa-boa
jujur jeung amanah téh
geus jadi musuh dirina.
Upama bangsa geus kitu,
ulah salah nu karieu téh
bakal mawa pirus kana
widang-widang séjénna.
Ayeuna kasaksén aya
béja nu leuwih parna,
cenah pangmaceuhna nu
ngalakukeun
korupsi,
nyaéta jalma-jalma nu
cenah harayang ngurus
agama di Departemen
Agama. Ieu tangtu bahla!
Rék kamana atuh bangsa
urang diurusna. Pamaréntah deui nu disebut PNS,
keur geunjleung, cenah
raresep korupsi. Malah
PNS ngora ogé, loba teu
euleum-euleum némbongkeun pakayana, améh arapal ‘uing pangbeungharna’.
Teu sadar maranéhna geus
dipatok panghasilanana.
PNS nu sasatna mung
saukur ladén masarakat,
geus tibalik hayang jadi
juragan. Nya antukna
baroga sipat kumawasa.
Saha nu salah lamun geus
panyakit ieu narajang ka
unggal jalma?
Aya deui keur di dunya
4
hiburan sepakbola. Bangsa
urang deui-deui némbongkeun sipat embung siliélédan, embung siliharegaan.
Nu aya silijongklokeun,
silisalahkeun,
ahirna
masarakat moal deui
paduli kana omongan
pamingpin. Dualisme nu
ngayakeun sepakbola di
urang, hiji bukti, pamingpin resep ngaragragkeun
urusan ahlak.
Sakitu waé surat ti
simkuring, mudah-mudahan hiji waktu tiasa disambung deui.
Bah Wiratma
Ti Sumedang
Ajen Sunda
di Sakola
Nyi Mangle, sim kuring
kataji ku ayana tarekah
nitip Sunda di sakola,
sabab Inggis basa Sunda
lamun mah ilang kitu
wae,katenan aya dukungan
ti sang Gubernur mah ulah
dimomorekeun ieu basa.
Kumaha mun enya euweuh na, leungit lantaran
dimomorekeun ku anu
ngabogaanana.
Jalaran
kitu dukung sangkan di
unggal sakola ngabogaan
ciri wanci utamana sakolasakola anu aya disabudeureun Jawa Barat
atawa di Priangan ieu, utamina dukungan ti pupuhu
di Dinas Pendidikan katut
Dinas
Kabudayaan,
ngahirupkeun, ngahuripkeun sagala rupa kamonesanana urang sunda jeung
sajabana. Geus dimimitian
ku ayeuna mah balita boh
di kampung komo deui di
kota mah budak dimimitian diajar ngomong bahasa Malayu, lain teu
meunang sabatae disagigireun diajar basa urang
sorangan, ngan leuwih
hade tur merenah lamun
basa Sunda diutamakeun
komo basa deungeun mah
anu di utamakeunana. Ah
asa kacida, sok ngarasa
agul ku payung butut
pibasaeuna teh meureun.
Sakali deui Simkuring
satuju pisan kana kamandang Mangle nu teras
ningkatkeun ajen Sunda,
utamina di sakola. Wilujeng, salam kasadaya ki
Sunda.
Asep Edy Syafei
Ti Purwakarta
Tilas
Daragang
Hewan Kurban
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Ais Pangampih MANGLE nu dipihormat, punten
ngiring ngintun nyerat,
mugi kersa ngamuat.
Sapertos taun-taun ka
pengker, biasana pami
mayunan kurban sok
seueur tempat atanapi
lokasi nu dijantenkeun
tempat
keur
dagang
domba. Aya nu dipayuneun masjid, aya nu
di lapang, ogé payuneun
kantor-kantor. Kantenan,
upami taun kapungkur
mah, usumna kurban
biasana sok dina usum ngijih, usum hujan, ayeuna
ogé sami. Tah, ningal tina
taun-taun kapengker mah,
nu daragang hewan kurban téh, tilasna téh sok
kalalotor. Buktos Sok
sanaos ieu mah musiman,
saéna nu daragang hewan
kurban kedah ngartos,
malihan kedah aya nu
ngatur, boh tingkat pamarentah
kacamatan
atanapi ti pihak RT atawa
RW nu aya dilingkunganana.
Upami nu dagang
gaduh tempat maneuh tur
teu ngaganggu ka tempat
séjén, éta mah saé kacida.
Sapertos nu aya di sapanjang jalan Bypass Soekarno
Hatta. Tapi palebah nu
dadakan pisan, payuneun
masjid-masjid atawa kantor-kantor, rupina kedah
aya nu ngatur aya nu merhatoskeun kabersihanana.
Sakitu wae, mudahmudahan tiasa diperhatoskeun. Hapunten anu
kasuhun.
Wassalam
Pa Dian Habib
Ti Ujungberung
Bandung
Dunya Atikan
Ieu mah, pameredih
waé ka nu nyekel kalungguhan, masing bisa ngolah
daérah. Masing ngamangpaatkeun paguron luhur
nu udaganana ningkatkeun IPM Jawa Barat.
Pédah wé IPM urang handap, meureunan nu palinter, nu raharja téh geus
parindah deui ka propinsi
séjén. Atawa nu palinter
téh mung dina ukuran,
pédah cicing di paguron
luhur, élmuna henteu
mangpaat keur masarakat
sabudeureunana. Tangtu
ieu pamadegan, moal bener
sagemlengna. Upama waé
salah, simkuring neda
tawakufna. Ieu mah seja
méré sumanget ka nu
nyekel kalungguhan di tatar
Jawa Barat.
Sakitu, hatur nuhun
sakali deui ka Ais Pangampih Manglé ku dimuatna
seratan ieu.
Wassalam.
Syafrudin
Ciledug Garut
Manglé 2446
6. nepi ka kiwari ge tetep digedurkeun, ti
mimiti palajaranana nepi ka tatacara
make pakean jeung moral mahasiswa
katut dosenna boga nuansa Islami.
Samalah nu pangdiistimewakeun di
Unisba mah lain ti kalangan selebritis
tapi calon mahasiswa nu “Hafidz
Qur’an, sing saha wae calon mahasiswa
nu “Hafidz Qur’ an(katalar Qura’an 30
juz)” nu rek kuliah di Unisba, haratis teu
kudu mayar nepi ka lulusna jadi Sarjana!
Keur ngeceskeun sakabeh eta,
Mangle ngahaja nepangan langsung
ingkang putra sesepuh/panaratas
Unisba KH.EZ Mutaqien (Suargi), Drs.
Adang Muhammad Tsaury, M.Pd.I di
kantorna, di Fakultas Tarbiyah Unisba
Jalan Rangga Gading Kota Bandung.
Kang Adang teh putra Pa Mutaqien nu
ka tujuh (ti sawelas sadulur), Ibuna Diah
Syamsiah (putrana Pa Samsudi nu dipake ngaran “Hadiah Samsudi” anu ti
taun 1993 mayeng dipasrahkeun ku
Yayasan Budaya Rancage ka pinunjul
panulis bacaan barudak, biasana
dibarengkeun jeung Hadiah Rancage,
Samsudi ge nulis Sekar Pamekar jeung
nulis lagu “nu kacida percisna” atawa
memang dipake lagu kabangsaan
Malaya. Samsudi teh tuang rakana Prof.
Soemardja nu dijeun ngaran galeri seni
di FSRD -ITB) pituin urang Pagarsih
Bandung, Pa Mutaqien mah guru terah
Leuwisari Singaparna-Tasikmalaya.
Cek Kang Adang, Alhamdulillah memang bener cenah Unisba kiwari geus
Drs. Adang Muhammad Tsaury , M.Pd.I;
Neruskeun Tapak Lacak
Ngokolakeun Atikan Islam
U
niversitas Islam Bandung
(Unisba) kiwari ngajanggelek
jadi paguron luhur Islam nu
nyongcolang (elit) di Jawa Barat,
kawantu universitas nu modern jeung di
jerona aya fakultas-fakultas nu sipatna
umum diantarana Hukum, MIPA,
Psikologi, Fakultas Teknik, Ekonomi,
Imu Komunikasi, jeung Kedokteran,
unggal taun pada ngadeudeul ku caloncalon mahasiswa ti sakuliah Indonesia
Manglé 2446
jeung luar negri, mahasiswana ge loba
prestasina(diantarana tugas ahir mahasiswa Kedokteran jadi pinunjul di
Jepang) malah aya nu ti kalangan artis
jeung atlit, sebut wae Anang Hermansyah ( caroge Asanti), Nadila, Elly
Sunarya, Personal Band The Massip,
The Marvel, kipper Persib Ricky Subagja, pinunjul Moka Kabupaten, Aam
Amirudin, jrrd. Tapi wondening kitu ciri
nu mandiri salaku “universitas Islam”
mekar jadi paguron luhur Islam nu
nyongcolang jeung modern, kapan dina
mimiti ngadegna mah ngan aya tilu
Fakultas, Syariah, Dakwah, jeung Tarbiyah, katompernakeun jadi paguron
luhur nu modern nu dieusian ku ruparupa fakultas bari tetep mertahankeun
nuansa Islamna. Kampusna sumebar
jlug-jleg dimamana aya nu di Tamansari
(kampus puseur/pusat), Hariangbanga,
Ranggagading, Palasari jeung Kampus
5
7. Aktif di Ika Unpad bareng jeung Fery Mursidan Baldan
II di Ciburial. Tah di Ciburial ieu nuansa
Islami Unisba bakal atra katingali, sabab
dihususkeun pikeun nu masantren/pelatihan-pelatihan islami. Jadi geus
jadi kagiatan nu maneuh keur mahasiswa anyar jeung mahasiswa nu rek diwisuda, wajib miluan heula “masantren
(pembekalan moral)” di Ciburial, sabab
mangrupa bagean tina mata kuliah PAI
(Pendidikan Agama Islam) nu diajarkeun salila 8 semester (bandingkeun
jeung di paguron luhur lian nu ngan 4
semester). Lian ti kitu, dosen-dosenna
ge kudu nyontoan ku sikep jeung moral
nu hade, kaasup dina tatacara make papakean nya minimal “busana Muslim”
keur dosen istri mah, kitu deui ngucapkeun “salam” oge kabersihan kudu dierhatikeun ku sakumna civitas akademika
Unisba, “Maenya urang nu gaduh slogan, Kabersihan sabagean tina iman,
tapi urangna teu nyontoan berseka”,
kitu saurna.
“Niat pun bapa kapungkur teh hoyong ngadegkeun paguron luhur nu aya
atikan Islamna di dayeuh, da kapanan
biasana mah aya di pasisian (termaginalkan). Nya Alhamdulillah sabada Unisba
ngadeg (taun 69, saacanna taun 67
ngaranna Universitas Kiansantang, saacanna deui PIT , Perguruan Islam Tinggi,
ngadeg 15 November 1958) jlug-jleg
sakola sareng paguron luhur Islam di
Bandung”, pokna reueus.
Unisba kiwari memang ngajanggelek jadi paguron luhur Islam nu
nyongcolang jeung modern, samalah
cek Kang Adang kampus puseur di Jalan
Tamansari nu legana sahektar beuki
dieu beuki “baranahan” teh kulantaran
6
geus teu sanggupeun nandean mahasiswana nu datang ti sakuliah nusantara
nepi ka Aceh jeung Irian, bisana kitu
lantaran ku uar pangajakna Pa Mutaqien dina mangsa baheula, nu bakal
mere lolongkrang jeung pasilitas leuwih
ka calon mahasiswa/mahasiswa Islam
nu asalna ti Irian kitu deui mahasiswa
asal Timor-Timur (saacanna misah)
loba nu nyuprih elmu di unisba. Unisba
nu ngawengku 10 fakultas, dina sataunna narima 1200-1500 urang, malah
“student bodyna” kungsi ngahontal 12
rebu jeung kiwari ngabogaan Fakultas
Kedokteran nu geus dianti-anti salila 20
taun, gedongna bakal diwangun 5 lantey
ka-6 basement di Hariangbanga, “Alhamdulillah tinekanan. Da geuning teu
tiasa kitu wae ngadegkeun Fakultas Kedokteran mah, kedah aya Guru Besarna,
sarana sareng sapuratina sareng deuih
awis waragadna kuliah kedokteran mah
di paguron luhur negri atanapi di swasta
ge utamina buku-buku sareng pasilitas
sanesna”, kitu saurna bingah. Unisba ge
pada ngadeudeul ku calon mahasiswa ti
Thailand jeung Malaya (Malasyia).
Ngeunaan mahasiswa nu katalar Qur’an
30 juz gratis kuliah di Unisba, Kang
Adang ngaenyakeun, “Muhun leres
mangga ka calon mahasiswa /mahasiswa nu hafidz Qur’an 30 juz haratis kuliah di Unisba dugi ka lulusna, mung
saratna elmuna kedah diamalkeun ka
mahasiswa sanesna supados mikacinta
Al-Qur’an”, pokna pasti.
Kaluar ti Pagawe Negri Alatan
Mikacinta Bandung jeung Unisba
Kang Adang cepeng damel di Unisba
ti taun 1988 (tilu taun sabada ramana
ngantunkeun ). Sabanerna salulusna
(taun 1986)ti Jurusan Sastra Arab /Asia
Barat Fakultas Sastra Unpad (kiwari
Fakultas Ilmu Budaya/FIB), taun 1987
Kang Adang geus jadi pagawe negri di
Deplu Batawi. Tapi ngan kuateun 10
bulan, teu betah cenah hirup di Jakarta
mah, can biasa nyanghareupan kaayaan
sapopoena, rek digawe ge kudu nyorang
jalan nu rarupek ku polusi jeung
pabeulit ku patalimarga, keur panas teh
kudu pasesedek dina angkot atawa
metromini jeung teu aman deuih, “ Ah
mending hirup di Bandung, dina teu
boga duitna ge bisa disorang ku
leumpang bari jeung aman – tiis ceuli
herang mata”, kitu cek pikirna harita. Ah
gilig we cenah rek ka luar mending ngajar di unisba, da boga kasangtukang
pangaweruh basa jeung sastra Arab.
Berekah taun 1988 katarima jadi dosen
di Fakultas Tarbiyah ( Pendidikan
Agama Islam) , fakultas nu munggran di
Unisba bareng jeung Fakultas Syariah
katut Fakultas Ushuluddin(Dakwah).
Dunya Islam (basa, sastra, budaya)
memang lain hal nu anyar keur Kang
Adang, riwayat atikanana satingkat SMP
– SMA asalna ti pasantren. Satamatna ti
SD Sabang, Kang adang langsung
masantren di Pabelan – Muntilan –
Jawa Tengah, da ka Gontor mah teu
katarima
alatan
leuir
teuing
daptarna.Lima taun tamat masantren
bingung, teu boga ijasah. Nya sakola
deui di PGAN (kiwari MAN, Madrasah
Aliyah Negeri),sataun ti harita meunang
ijasah jeung taun 1980 katarima di Sastra Arab Unpad. Sakabeh eta jadi bekel
pikeun ngajar Bahasa Arab, Kapita Selekta Pendidikan, Akhlaq, Tasawuf,
jeung Administrasi & Supervisi (Akta
IV) di Unisba kalayan diaping ku dosen
Pembina Kiayi Rosyad Nurdin, Odang
Muhtar, jeng Jawad Dahlan.
Di Unisba Adang kungsi cepeng
kalungguhan: Kepala Seksi Administrasi
Kemahasiswaan dan Alumni Fakultas
Tarbiyah (1990-1994), Pembantu Dekan
III Fakultas Tarbiyah (1998-2001),
Kepala Seksi Kegiatan Kemahasiswaan
PR Iii (2005-2007), jeung Wakil Sekretaris Yayasan Unisba (2007-2011). Tah
nalika katompernakeun yayasan nyieun
PT dina widang proferti adang milu aktif
bari jeung kudu ka luar heula ti yayasan
da kitu pasaratan kaanggotaananana
kudu ti luar yayasan. Perseroan Terbatas
ieu ngadeg pikeun ngawaragadan jeung
numuwuhmekarkeun Unisba. Sabenerna PT nu anggotana arsitek, perencana
Manglé 2446
8. jeung rupa-rupa ahli dina widangna sewang-sewangan teh bergerak dina ruparupa widang, tapi kiwari nu dipajuna
dina widang property, perencanaan
pangwangunan jeung perluasan, da
kabeneran Unisba ngabogaan keneh
lahan di Tamansari, Cijambe, jeung di
Cilengkrang,
tibatan
tenderna
dikabaturkeun mending di-swakelola,
leuwih nguntungkeun. Nya contona rek
ngawangun gedong fakultas Kedokteran
5 lantey kagenepna basement (di Bandung palaturanna teu meunang
ngawangun leuwih ti 5 lantey sangkan
teu jadi hahalang kana lalu-lintas udara)
di Hariangbanga ge rek di- swakelola ku
PT nu dijieun ku Yayasan Unisba.
Dosen Unisba nu baheulana kungsi
aktif di Lingkung Seni Sunda (Lises)
Unpad jeung kapeto jadi Pupuhu Ika
(ikatan Alumni) Sastra Unpad (2008),
lian ti ngajar sok “ngabingbing haji” di
Megacitra. Saacana Kang Adang taun
1989 kungsi ngaping nu ibadah haji
tunanetra, harita kabeneran 25 urang
tunanetra binaan Yayasan Umi Maksum
kagungan tuang ramana, diulem ku raja
Saudi, nya diaping ku Kang Adang,
“Leuh alhamdulillah meni nikmat
sareng harampang, lungsur-langsar
ngaping nu tunanetra mah, benten
sareng nu beunta, nu tunanetra mah
langkung sabar, iklas, teu seueur kahoyong, sareng pihak pamarentah Arab
Saudi katut nu Tawaf atanapi nu nuju
Sai’ ge langkung ngajenan sareng
mamaprin jalan ka nu teu ningal mah,
luyu sareng nu dicontokeun ku Rosululloh”, kitu saurna nyoreang alam ka
tukang. Dina taun 97-99 sabenerna
Kang Adang ge nyieun pausahaan
bimbingan haji, ngan kateug, taun 2001
mimiti ka Megacitra, mayengna mah
dina taun 2003 tug nepi ka ayeuna, “Alhamdulillah abdi tiasa ngajalankeun
amanah, margi nganteur nu ibadah haji
nu di ulem ku Alloh mah amanah sanes
kanggo milarian materi”, kitu saurna
pasti. Pusat Bimbingan Haji nu kantorna di Jl.Cimandiri 20 Bandung jeung
di Dharmawangsa Square Kebayoran
Jakarta teh, target sataunna nu umroh
1500, 3-4 kali pemberangkatan dina
sabulanna, nu ibadah haji 2-5 beus. Dina
mangsa tulisan ieu keur ditulis dina
Mangle, Kang Adang mah keur husu
ngaping nu ibadah ka tanah suci. Mugia
jaranten haji nu mabrur.Amien!***
ASEP GP.
Sareng kulawarga
Ngagaya dina motor badag
Nganteur nu ibadah haji
lain keur neangan materi
Manglé 2446
7
9. Nguatan
ékonomi,
nguatan
kamandirian. Ka dituna, nguatan
lembur sorangan. Matak, pihak
Pusat Koperasi Unit Desa (Puskud)
Jawa Barat mah, teu weléh narékahan sangkan ékonomi masarakat
jadi pribumi di lemah caina. Ngan,
kumaha carana?
***
N
garanna gé pepelakan jeung
tutuwuhan, aya usumna.
Ngan, lain sababna kitu,
upama saperti kadelé, bawang,
céngék, nepi ka langka nu ahirna
mahal kacida. “Nu sidik mah aya
kasalahan wé,” ceuk H. Toto Iskandar, SE., Ketua Pusat Koperasi Unit
Desa (PUSKUD) Jawa Barat tandes
naker.
Ceuk pikirna, kabutuh masarakat
nu mayeng kawas kitu, gampang
dikira-kirana. Maksudna, sakumaha
H. Toto Iskandar, SE., Ketua Pusat Koperasi Unit Desa (PUSKUD) Jawa Barat
Ngajaga Lembur
Nguatan Kamandirian Rahayat
nu dipikabutuh jeung ti mana keur
nyumponan pangabutuhna, bisa diiker-iker ti anggalna. Hartina, sagala
rupana kudu ditataharkeun kalayan
jinek.
Malikeun Kapercayaan
Keur nyumponan pangabutuh
masarakat, ceuk ieu carogé Zulfaedah Triana mah, teu bisa ukur
ngandelkeun pasar. Da, upama ukur
kitu mah, nu kuat bakal ngéléhkeun
nu hengker. Balukarna, ukur nu gedé
modal nu ahirna bisa ngawasa pasar
gé. “Upama kabutuh balaréa ukur
ngandelkeun saurang dua urang
pangusaha jugala, tangtu wé bakal
8
réa anu dirugikeun,” ceuk ieu
teureuh Bekasi témbrés.
Ku lantaran kitu, tata niaga
kudu dibebener deui. Ngan,
kumaha carana? Di urang, ceuk H.
Toto, geus aya wadah saperti koperasi. “Kudu nguatan deui KUD wé
atuh,” pokna.
Koperasi Unit Desa nu jadi andelan ékonomi masarakat, samistina
meunang kapercayaan ti balaréa.
“Pangpangna mah, butuh kapercayaan ti pamaréntah!” pokna tandes.
Kitu téh, lantaran KUD butuh
modal. Enya, cenah, ti heula-heula
saperti dana nu disalurkeun ka KUT
téh teu puguh juntrungna. Tapi, nu
kawas kitu téh, teu bisa disakompétdaunkeun. “Tetep kedah timbul
itikad ti pamaréntah snagkan KUD
mekar deui ku cara mantuan
modalna,” pokna.
Upama KUD boga modal,
anggotana gé bisa leuwih laluasa
dina makayakeun usahana. Nu ancrub kana tatanén, sayur-sayuran,
miara ingkon-ingon, tangtu moal
gejed waé ngaléngkahna. “Tapi,
upama can nanaon geus teu dipercaya, nya tangtu wé hésé menyatna,”
pokna.
Pihakna, ceuk H. Toto, siap
ngokolakeun dana pamaréntah.
Komo deui atuh dina jaman kiwari,
Manglé 2446
10. teu kudu hariwang teuing nu boga
wewennag ‘nyalurkeun; modal ogé.
Lantaran, ayeuna mah jaman brukbrak. “Nu penting, puguh tanggung
jawabna. Mun euweuh duit, asal aya
barangna. Tah, mun duit jeung
barangna teu puguh, kari meredih
tanggung jawab pihak nu ngokolakeun éta duit wé atuh,” pokna.
Masarakat, ceuk Toto, masih
kénéh bisa dipercaya. Aya kénéh
kasieun
jeung
kaéra,
mun
nyéléwéngkeun duit batur, komo
ari dikokolakeun kalayan hadé mah,
bisa punjul. Contona, di KUD Sedong nu perenahna di Cirebon, kaasup KUD nu sukses bisa hirup jeung
huripna,” pokna.
Ulah Ngarugikeun Batur
Tujuan koperasi, keur karaharjaan anggota. Hartina, demi masarakat
sakumna. Lantaran, nu ilu-biung
dina koperasi mah, masarakat. KUD
gé dikokolakeun ku rahayat keur
masarakat. Nu ngalap untungna,
Kadelé, nepi ka langka nu ahirna mahal kacida,
balukar aya kasalahan dina ngaminij ékonomi
deui duit pamaréntah. “Asal, mémang pangurus KUD gé nu benerbener bisa dipercaya,” pokna.
Lian ti meredih ‘amanahna’
pangurus koperasi jeung anggotana,
pihak nu tumali jeung koperasi gé
sarua kudu beunang dipercaya.
Contona, cenah, upama nyadiakeun
binih, nyadiakeun gemuk, jeung
pangabutuh patani, atuh ulah dibatikeun! Cindekna, haregana téh
kudu sacéréwéléna. “Intina mah
sadayana gé kedah jujur!”
Nepi ka ayeuna, Koperasi Unit
Desa (KUD) masih kénéh jadi andelan ékonomi masarakat. Ngan, mémang cenah, teu kabéh walakaya, da
sawaréh mah, hirup teu neut paéh
teu hos. Tina jumlah 486 KUD di
Jawa Barat, ceuk Toto mah, nu aktip
téh 300 KUD, nu sumebar di sakuliah Jawa Barat.
Mémang, kaayaan KUD téh teu
walatra. Aya nu nanjung aya nu
alakadarna. “Ngan, nu écés, KUD gé
Manglé 2446
téh? Kahiji, ‘Pakai pikiran orang’
(maké pikiran atawa kamampuhan
nu lian). Ku cara kitu gé, apan nu
baris ngalap mangpaatna téh lain
ukur kulawarga sorangan, tapi deuih
pihak séjén.
Kadua, ‘Pakai Duit Orang’ (maké
modal nu lian). Mun teu boga modal
sorangan, teu kudu kateug usaha.
Da, bisa maké modal nu séjén. Ku
cara kitu gé, kauntungan téh deuih
bakal kaarah ku pihak séjén.
Katilu, ‘Pakai Tenaga Orang’
H. Toto Iskandar; Ngamajukeun usaha, ngalarapkeun ‘jurus 5 P’
loba naker. Apan, mun masarakat
boga pangasilan, hartina ogé, boga
kakuatan keur mekarkeun diri di
lemburna sorangan. “Koperasi gé
kudu jadi pribumi di lemburna sorangan,”pokna.
Upama H. Toto bisa nyarita kitu,
lain ukur lalambé. Koperasi nu
dikokolakeunana di Bekasi, apan
bisa ngawadahan 100 urang
karyawan. Hartina, bisa jadi lahan
usaha jeung harepan masarakat.
“Koncina, kudu silih untungkeun,”
pokna.
Dina ngokolakeun koperasi, H.
Toto mémang boga jurusna. Kituna
téh, hasil tina bekel ngajalankeun
usaha, nepi ka ahirna mah apal
kumaha ngokolakeun usaha kalayan
silih untungkeun. Cenah, usaha nu
dijalankeun ku dirina, tetep boga
tujuan geusan kaala mangpatana ku
balaréa. Ku lantaran kitu, dina
usahana gé inyana mah ngalarapkeun ‘jurus 5 P’. Tah, naon téa éta
(maké tanaga nu lian). Jéntré, apan
urang téh moal bisa migawé sagala
rupana nu sorangan. Hartina, butuh
tanaga batur. Atuh, mangpaatna gé,
bakal karasa ku pihak nu dipaké
tanagana téa.
Kaopat ‘Pakai Otak Kanan’ (Maké
uteuk katuhu). Hartina, nu usaha
mah kudu rancagé, loba akal tur
daék inovasi. Tah, nu kawas kitu
mah, pagawéan uteuk katuhu,
kabiasaan-kabiasaan jalma rancagé
nu tara kabéakeun akal.
Kalima, ‘Pakai Doa Orang Miskin’
(maké du’a nu miskin). Hartina,
hasil usaha téh atuh kudu keur kabutuh jalma-jalma nu mémang butuheun. Tumali dua ti jalma nu miskin,
H. Toto nu yakin kana papagon
agama, ganjaran nu dibikeun ka
batur téh bakal jadi kahadéan. “Ulah
miharep ti nu dibéré ku urang, da
urang mah gaduh Pangeran nu
Mahakawasa,” pokna.*** (Ensa/Rudi)
9
11. Bagian
177
Peuting ka-204
Gap prajurit narima
éta surat. Jung nangtung
sarta saterusna asup ka
kamar putri. Sok wéh
surat téh dibikeun sartaa
ditarima ku Putri Budur.
Haleuang sair
komarujaman, keuna
kana mamaras rasa putri
budur. Atuh, timbul kapanasaranana hayang
kaluar ti éta wawangunan, tapi teu bisa majar
kumaha lantaran sukuna
diranté. Ku lantaran kitu,
waktu badégana datang
mikeun keretas, putri téh
kacida panasaranana.
Gap wéh éta surat téh teu
sirikna dijewang.
Bray surat dibuka,
bréh ali nu kungsi leungit téa. Ngan, nu leuwih
narik atina mah, eusi
surat téa. Diilo teleb
naker sarta ahirna tembong paromanan
ngagebray jadi marahmay.
10
Kalayan bangun nu
teu sadar, éta putri téh
ngahaleuang.
Ngedalkeun eusi haténa,
di antarana hariringna,
putri téh nagdelakeun
kahanjakalna papisah
jeung nu dipikaasihna.
Sanggeus maca éta
surat, lir nu timbul
kakuatan rohaka.
Sumanget hirupna
ngabebela. Atuh, kitu
deui tanagana jadi rosa.
Putri nu salila ieu lemah
bangun taya pangawasa,
harita mah, bisa
megatkeun ranté nu
ngabakutet sukuna.
Koréjat hudang.
Nangtung sarta
saterusna mah
ngalengkah ka lawang
panto. Bangun nu teu
kuat ku kapanasaranana,
eta putri téh, nyrélékeun
lalangsé nu jadi hahalang
antara diri jeung pamuda
nu aya di luar kamar.
“Duh, kakang, naha
ieu téh nyata atawa ukur
impian!”pokna.
Bangun ilang temahwadi, putri téh nubruk
tur ngranagkul Komarujaman. Kituna téh bari
teu eureun-eureun ngucap sukur ka Nu Mahaagung. Ngarasa bagja,
najan masih kénéh cangcaya kana tetempoan
jeung rarasaanana.
Ngabandungan
paripolah putri kitu,
badéga husus putri guragiru kaluar. Laju muru
istana raja. Hariweusweus ngabéjakeun
kaajaiban nu cikénéh
kasaksénna. Malah, nu
matak bungah mah,
cenah, putri budur sehat
deui.
Omongan badéga
kitu, matak bungah nu
ngadéngékeun. Komo
deui kulawarga raja mah,
da éta nu diteda beurang
jeung peuting. Keur raja
mah, kakawasaan jeung
dunya barana harita,
tetep hambar lantaran
putri nu
dipikameumeutna keur
ngalanglayung.
“Bener éta téh?” raja
nalek.
“Teu lepat! Mangga
wé buktoskeun ku
nyalira!”
Jung raja nangtung.
Gejlig kaluar ti istana,
muru wawangunan tempat putrina. Tététla, nu
disebutkeun ku badégana
téh bener. Anakna, nu
salila ieu ngungun tur
disangka siwah, harita
mah témbong marahmay
naker, pulih tina kasakitna.
“Ama bagja, geulis,
hidep cageur deui!”
pokna bari ngarangkul
anakna. Putri males
nangkeup kalayan
tipepereket. Atuh,
sajongjongan mah bapa
jeung anak téh paungkuungku ngedalkeun rasa
sono jeung kabungahna.
Raja ngalesotkeun
rangkulannana. Geus
kitu malik ka Komarujaman nu keur
hareugeueun ngabandungan éta kajadian. Pok
raja nyarita, nanyakeun
asal-usul Komarujaman.
Gorolang Komarujaman nyaritakeun asal-
Manglé 2446
12. usulna. Taya nu dikilungan, sagalana dicaritakeun. Atuh, raja gé
beuki bungah, lantaran,
najan kakara tepung
harita jeung éta pamuda,
ari kana teureuh jeung
terahna mah moal bireuk
deui. Hartina, mémang
kupuna, upama anakna
ngajodo ka éta pamuda.
“Ngan, kumaha
lalakonna pangna hidep
nepi ieu nagara?” pokna
deui semu panasaran.
Derekdek Komarujaman nyaritakeun pangalamanana. Mémang,
kungsi ngalaman kajadian ahéng. Tepung hiji
peuting jeung putri nu
teuing kumaha mimitina
bet aya di kamarna.
Sanggeus papisah, teu
weléh ngarasa tibelat nu
ahirna kagegeringan,
malah disangka siwah.
Ngabadungan lalakon
pamuda kitu, raja gé
hareugeueun. Ceuk
pikirna, nu kaalamanana
ku éta pamuda téh teu
béda jeung lalakon
anakna. Ngan, angger
tungtungna mah matak
panasaran. Ceuk pikir
raja, éta lalakon payus
dicatét jadi dokumen
karajaan. Matak, harita
kénéh, raja maréntahkeun juru tulis karajaan
nyatet lalakon Komarujaman, kitu deui lalakon
Putri Budur.
Isukna, raja
ngumpulkeun paramantri jeung ponggawa.
Intina mah, nétélakeun
pakarepanana, nyumponan jangjina. Apan, saha
waé nu bisa ngubaran
anakna, ahirna mah
baris jadiminantuna. Ku
lanaran kitu, pok wéh
nyarita ka hakim nagara,
sangkan sagancangna
ngawinkeun Putri Budur
jeung Komarujaman.
Malum hajat karaja-
Manglé 2446
an, tangtu wé rongkah
kacida. Tujuh poé-tujuh
peuting raraméan,
ngareuah-reuah nu
pangantenan. Sakur
kasenian peutingan di
éta nagri didatangkeun
sarta ditanggap sina
ngahibur rahayat.
Bungahna raja rembes ka
rahayat sakumna.
Ondangan daratang ti
suklakna ti siklukna. Nu
jarauh, komo nu
deukeut, teu sirikna tingalabring ngadatangan
tempat pésta,
ngawilujengkeun ka raja
katut pangantén. Poé
kadalapan, tatamu nu
jauh kakara marulang
deui ka tempat masingmasing.
Poé-poé saterusna,
Komarujaman ngarasa
kacida bagjana. Kakara
harita, dirina
ngarasakeun maduna
hirup. Kitu deui Putri
Budur, saggeus halabhab
ku rasa asih ti lalaki nu
dipikacangcamna, lir nu
halodo entakan kasiram
hujan miripis, tiis
tingtrim dibarung ku
rasa suka nu taya
papadana.
Sanggeus sawatara
poé ngancik di pangumbaraan, Komarujaman
mimiti tibelat ka lemburna. Kitu téh, pangpangna mah lantaran
dina hiji peuting, ramana
datang dina impian. Ada
di kieuna, raja Syahraman téh nganaha-naha
ka anakna nu téga ning-
galkeun karajaan kalayan
teu permisi heula.
Pangaruh impian
kitu, kabawa dina
kahirupan nyatana.
Atuh, dina hiji peuting,
waktu aya di pangsarean,
Komarujaman téh
nyaritakeun impianana,
sarta saterusna ménta
bongbolongan ka garwana ngeunaan nu kudu
dipilampah.
Putri Budur ngarti,
salakina téh tibelat ka
kulawargana. Atuh, ceuk
pikirna, memang geus
waktuna dirina gé nganjang ka nagri mitohana.
Cindekna, ieu nu anyar
pangatenan téh rek
nyaba ka nagri nu
didtinggalkeun salakina.
*** (Hanca)
11
13. Ari Andriansyah
Élégi
Datang deui ka dinya, kukusut buuk nu ngemu tatu laut
Wanoja tuna impian sabada tibrana dililirkeun lini wanci
Ka sisi basisir pangemitan saniskara rusiah ruruhit takdir
Néang kojéngkang tina jerit nu kapalidkeun caah cimata
Tina peura pirang-pirang sora karémpan, hangru banusan
Rurujad ingetan, katut ombak ngaguguntur liuh sarakan
Kasatiaan kami lain sakadar ringkang bedang camar sasar
Najan sisimping jangjang lana nikreuhan samar, aweuhanna
Nangtung nyatru guruh, nadah séah luhur ruruntuk parahu
Sugan lawung deui layung, angin ngiberan raratan liwung
Taya jawaban. Langit gudawang, sagara langgeng raheutna
Aya kalangkang ti heula miang nilar ranjang panganténan
Tina lambaran-lambaran rumbay nandaan pugurna windu
Aya titimangsa nu kalarung, yén babatang demi babatang
Lawas dipaseuk jadi padung, laju wanoja oléng pangantén
Jeung kalangkang. Saparat kikisik ngawurkeun deui manglé
Sajatining rampé, ngotrét hiji ngaran ku régang réma asihna
Najan laun-laun teu weléh sirna kaséblok salantisan lambak
Pangandaran, 2011
Mérkuri
Bari tanggah nénéangan ringkang purnama kamari
Suku geus jauh ngarayapan beungeut cileuncang
Saparat juuh trotoar jeung limpeuna lampu mérkuri
Sésa hujan tadi soré ngeleperkeun waruga dayeuh
Kahirupan nu haben digelar kukusut buuk parawan
Antara bangkarak usum jeung cimata kalakay pugur
12
Manglé 2446
14. Ka mana kudu ngabungbang nyusud liuhna sarakan
Nu kasampak kari kalangkang lalampahan kasarung
Jalan ngaringkel nonggoh mipir gawir pangimpian
Atawa mudun nyorang ropoh cukang pangharepan
Kakelar nu lana ngaruhay dina kalbu méméh lunta
Nungtut pareum dirungrum rurub halimun laun-laun
Basa peteng ngepriskeun lalancip citangis langit
Suku masih kénéh tigin ngulayaban luhur trotoar
Guguntayangan lebah mérkuri jeung kamalé peuting
Sakali deui tanggah sugan aya geter cahaya nyésa
Nangtung satengahing cipruk diseumat isarah hujan
Antara tambang jeung tihang panggantungan lalakon
Lémbang, 2011
Memento
Kapan kalangenan kadar ngalawungkeun rangkulan
Urang pajonghok dina kasono hiji wirahma ahéng
Bari teu pernah tumanya kumaha lagu dipungkasna
Yén antara jentréng ieu gitar jeung kését biola anjeun
Aya wates hariring angin lebah anggang nu teu katepi
Nu ngan kongang kadongkang ku simfoni panggupay
Yakin galindeng baris wedel rumaket, nu halon kedal
Tapi wirahma rintih ngudar simpay, nu werat némbal
Lir padalisan rumpaka méga leungiteun titilaras langit
Sapada sekar nyilungkeun sakur geter nu kapibanda
Ngarakrak rumpaka nu teu cukup dilisankeun halimun
Gentem kakangen bumi sadrah pukah kasarad sumerah
Teu kudu nyegruk kapan kitu mungguh laguning hirup
Sakabéhna papasangan dina asih kawih jeung patina
Dipirig gitar jeung biola nu lawas leungiteun senarna
Antara aweuhan munara masjid jeung loncéng garéja
Aya wates haleuang lebah awang-uwung jomantara
Urang katedral disalib geugeut rangkulan pileuleuyan
Bandung, 2011
Manglé 2446
13
15. Kurban,
Kaihlasan Nanjeurkeun Kasoléhan
Ku Rihhadatul Aisy
M
anusa hirup di alam dunya
tujuanana mung ibadah ka
Mantenna. Wama kholaktul jinna wal insan illa liya’buduun.
Diciptakeunana jin jeung manusa
teu aya deui iwal pikeun ibadah ka
Alloh Swt. Malihan para ulama
parantos nandeskeun, sapertosna
waé Ibnu Hazm al-Zahiri, yén ihlas
téh mangrupa ruhul ibadah,
nyawana ibadah. Margi kitu, badé
ibadah naon ogé, kahadéan naon nu
dipilampah, moal aya ajénna, upama
teu dibarengan ku kaihlasan. Ihlas
dina koncina ibadah, témbrés pisan
dina surat al-Bayyinah ayat 5. Alloh
Swt. ngadawuh : wama umiruu illa
liaya’buduulloha muhlisiina lahuddin.
Nu hartosna, ‘Padahal
maranéhna teu ditimbalan salian ti
supaya aribadah ka Alloh kalawan
ngaihlaskeun agama karana Anjeunna.’
Kitu deui dina tiap solat. Urang
sok
ngucapkeun,
Innassolati
wanusuki wa mahyaya wamamati lillahi robbil 'aalamin. Saéstuna salat
abdi, ibadah abdi, hirup abdi jeung
maot abdi sadaya kagungan Alloh,
Pangeran nu murbeng alam. (QS AlAn'am, 162).
Tah, ihlas nu mangrupa koncina
ibadah, katitén deui dina ibadah haji
sareng ibadah kurban. Palajaran
ihlas geus kagambar sakumaha dicontokeun ku Nabi Ibrahim a.s.
nalika kudu nelasan putra nu
dipikaasihna, Nabi Ismail a.s.
Kaihlasan dina ibadah kurban
saterusna ditétélakeun deui sacara
husus dina Surat Al-Hajj ayat 37,
Layyanalloha lahuumuha wala
dimaa uha walaakiy yanaaluhut
taqwa minkum. Nu hartosna kirang
14
langkung kieu: "Alloh henteu nampi
dagingna jeung getihna, tapi Alloh
bakal nampi takwana ti maranéh."
Jéntré pisan, dasar ibadah kurban,
singhoréng lain wujud dagingna nu
bakal nepi, tapi nu nepi jadi bekel
ibadah mah, nyaéta takwana, ihlasna.
Margi kitu, sanaos lekasan urang
saribuk mareuncit héwan kurban kamari, tapi ari hikmahna mah angger
kudu ngancik dina diri séwangséwangan. Lantaran, kacida lebarna
upama kamari tipoporosé urang
néangan rejeki jang kurban, ari dirina teu apal, kana hikmahna ibadah
kurban. Kajadian parebut héwan
kurban, kajadian nu keukeuh hayang
ménta sapertiluna jeung sajabana
nepi ka teu akur jeung dulur parebut
daging kurban, meureun éta nu
digambarkeun dina surat Al-Hajj
téa.
Ku kituna, sangkan kurban teras
ngocoran kahadéan nu wasilahna
janten taufiq geusan ningkatkeun
katakwaan
sareng
kasoléhan,
mangga urang titénan deui palajaran
naon nu aya dina satukangeun
meuncit héwan kurban.
1. Getihna nu kaluar nalika
dipeuncit, éta téh tandaning
pangampurana Alloh pikeun nu kurban tina sagala dosa-dosana nu geus
kaliwat. Kasauran Kangjeng Rosul
ka putrana Fatimah r.a, Quumi ila
udhiyatiki faashidiiha, fainnahu biawwali qotrotin min damiha yagfirulaki maa salafa min danbiki.
"Saksikeun kurban anjeun, saéstuna
getihna nu ngucur téh mangrupa
pangampura Alloh pikeun anjeun
tina sagala dosa nu geus kaliwat "
(HR. Baihaqi).
Numutkeun pidawuh Rosul di
luhur, kurban téh jadi ladang dihampurana dosa-dosa. Ari nyebutkeun
perkara dosa, saha jalma nu teu
gaduh dosa. Lian ti Rosululloh nu
tos di ma'sum, sadayana pasti moal
leupas tina dosa. Kasebutna jalmi
sombong alias adigung meureun
lamun aya hiji jalma nu ngaku teu
boga dosa, utamana dosa haté jeung
ibadah ka Gusti Alloh. Ku margi kitu,
koncina ihlas, narima jeung nyakséni yén manusa téh mahluk lemah.
Mangka saha nu niat karana Alloh,
ibadah kurban téh jadi panto dihampurana dosa. Bagja pisan saha jalma
nu keyeng ngalaksanakeun kurban
kalawan ihlas.
Margi kitu, dina hadis-hadis
séjénna seueur pisan nu ngajelaskeun, karana ihlas pasti bakal dihampura. Saha nu bakal dihampura
koncina kedah ihlas téa. Sapertos
dina ibadah saum, apanan disaurkeun, 'man soma romadona imanan
wahatisaban, gufirollohi maa taqoddama min danbih'. Eta ogé koncina
kedah ihlas.
Balik deui kana ibadah kurban
dina hadis tadi, sangkan kaihlasan
téh saterusna dijadikeun dasar
amaliyah dina paripolah sapopoé.
Naon sababna masalah ihlas
diutamakeun? margi dina prakprakanana, manusa téh bakal hésé
neuleuman jeung ngalaksanakeun
nu ngaranna kaihlasan, dina hartos
ihlas téh kalebetna perkara nu abot.
Setan ogé terus ngagoda ku cara
naon baé, sangkan manusa embung
ihlas. Harta banda, kahormatan
jeung kamunafikan téh, éta sadaya
misi sétan nu bakal ngahalangan
urang ihlas ibadah ka Alloh. Nu
Manglé 2446
16. mawi sakitu, upami aya nu kurban
tapi jadi sombong, jadi pedit alias
korét jap jahé, éta hartina kurbanna
téh
pikeun
ningalikeun
kasombonganana,
sanés
keur
katakwaanana ka Gusti Alloh Swt.
Ceuk tadi ogé, getih nu jadi simbol
gerak urang dina hirup di dunya,
upama urang ngucapkeun Allohu
Akbar nalika katingal getihna ngocor, di dinya pangampura Alloh
bakal turun ka anjeunna.
2. Getihna bakal pangbeubeurat
timbangan amal kahadéan engké di
ahérat. Duhhu toyyibuu angfusakum
fainnahu maa min muslimin yastaqbilu bidabihatihil qiblata illa kaana
damuha wafarsuhaa wasuufuha
hasanatun fii mizanihi yaomal
qiyamah. Saur Kangjeng Rosul ogé,
prak geura kurban kalawan ihlas,
saéstuna tiap-tiap muslim nu
ngalaksanakeun kurban kalawan
ngadep ka kiblat, mangka getihna,
kotoranana jeung buluna téh hiji
tanda kahadéan jeung bukti kana
timbanganana engké di yaomil
qiyamah.
Kitu sakumaha dijéntrékeun, yén
manusa téh bakal nyorang kahirupan engké di ahérat. Amal urang
sadayana bakal ditimbang, famay
yam'mal mitsqo ladzarotin khoiroyyaroh, wamay yam'mal mitsqo laddarotin sarroyyaroh. Sing saha jalma
anu ngalampahkeun amal kahadéan
sok sanajan sabobot kebul pasti
manéhna bakal nénjo amal kahadéanana, kitu deui saha jalma anu
ngalampahkeun amal kajahatan sok
sanajan sabobot kebul pasti
manéhna bakal nénjo amal
kajahatanana. Ku margi kitu, kurban
nu didadasaran tauhid ka Alloh, jadi
pengbeurat amal kahadéan nu teu
aya tandinganana. Malihan dina
katerangan séjénna nu diriwayatkeun ku Ibnu Abbas, Rosululloh
kantos ngadawuh : Maa unfiqotil
waroqu fii sae'in afdolu min nahiirotin fii yaomi 'iidin. Anapon artos,
perak nu sok dibalanjakeun, teu aya
nu leuwih utama anging meuncit
hewan kurban dina poé kurban.
(HR. Baihaqi).
3. Ancaman pikeun nu embung
kurban. Ku margi tadi ogé, kurban
téh keur nu mampuh, mangka saha
jalma nu mampuh tapi embung kur-
Manglé 2446
ban, mangka Alloh moal ngahampura sarta éta téh lain golongan
Islam. Kurban nu mibanda takwa,
mangka Rosululloh ogé neunteuingeun jalma nu pedit, embung kurban, embung tingalikeun kasoléhan
sareng kaihlasan. Padahal tadi ogé
pidawuh Gusti "walaakiy yanaaluhut
taqwa minkum" nu nepi téh takwana, lain dagingna. Ku kituna, saha
jalma nu keukeuh embung kurban
padahal mampu, kasauran Rosul,
man kaana lahu sa'atun walam yudohhi falaa yaqrobanna musollana.
Saha jalma nu mampu pikeun
ngalakonan kurban tapi keukeuh
embung kurban, mangka ulah
deukeut-deukeut kana tempat solat
kami (Rosul). (HR. Ahmad jeung
Ibnu Majah).
Kasoléhan Sosial
Ku saréat kurban ieu, kaum muslimin dilatih sangkan nerap jiwa kasoléhan sosial, nyaah ka papada
jalma. Dilatih sangkan haténa beresih tina sipat riya, takabur, munafik
jeung sajabana. Ibadah kurban lain
karana mampuh ngorbankeun artos
keur meuli domba atawa sapi, tapi
mampuh ngorbankeun kamampuh
nu leuwih ti nu geus ditarima ku
urang ti Alloh. Urang dipasihan
kani’matan nu sakieu ageungna, tapi
ngalaksanakeun
pangorbanan
kacida leutikna. Mana pantes teu
pati-pati jalma bisa disebut berkorban upama teu aya kaihlasan,
lantaran pangorbanan ngahiji jeung
kaihlasan.
Ibadah udhiyah nyatana kurban,
méré palajaran sangkan sagala rupa
lampah, akhirna kaihlasan. Hartina
sagala rupaning lampah, dasarna
kudu ihlas. Ihlas sanés haratis tapi
ihlas, nanjeurna kasoléhan. Lantaran deuih, kasoléhan moal ngawujud upama teu ngancik dina
dirina kaihlasan.
Sabalikna nu teu ihlas alias riya,
bakal ngadatangkeun kasombongan.
Teu disebut ngarasa berkorban,
upama ahirna sombong. Mana waé
baladna sombong, nu adigung
adiguna? Dawuhan Alloh: Aroaetal
ladzi yukaddibu biddin? fadzalikal
ladzi ya'du'ul yatim, walaa yahuddu
'ala thoamil miskin. Naha manéh
apal, saha nu ngabohongkeun
agama téh? nya nu kitu téh jalma nu
nolak (kana méré hakna) budak
yatim. Jeung tara daék nguar ngajak
méré dahar ka nu miskin. Ieu kasombongan nu pangluhurna.
Ku margi kitu, supados urang
leres-leres kurban téh karana Alloh
sareng tiasa kénging nambih
katakwaan urang, mangga urang
langkung caket deui ka Alloh sareng
ulah pegat ngalampahkeun kasoléhan ka papada jalma.
Mudah-mudahan kurban kamari
ieu janten nambih-nambih katakwaan sareng ngancikkeun kahadéan ka
pada jalma. Allohuma innaka tasma'u kalami wataro makani
wata'lamu sirri wa'ada niyyati laa
yakhfa 'alaika syaeun min amri anal
baa isul fakiirul mustagiisul mustajiirul wajalul musfiqul muqirrul mu'tarifu bidanbi as 'aluka mas alatal
miskiina wabtahil ilaika ibtihala
mudnibid daliili wa 'ad'uuka du'a'aal
khooifid doriiri man khodo'at lahu
rokobatuhu wafaadot lahu 'aenahuu
wadalla jasadahu warogoma anfuhu, allohuma laa tajalni bidu'aika
robbi sakiyyan wakun lii ro'uupan
rohiima yaa khoerul mas'uuliin waya
khoerol mu'tiin. "Ya Alloh, Gusti nu
nguping ucapan abdi, jeung Gusti
ningal kana sagala tempat abdi.
Gusti nu uninga kana sagala nu
caang jeung nu poék tina sagala nu
aya dina diri abdi. Teu aya naonnaon nu dina diri abdi anging Gusti
Nu Maha Uninga. Abdi jalmi fakir,
jalmi lemah, nu saéstuna butuh
panyalindungan. Abdi jalma nu
sieun, nu butuh kanyaah Gusti. Abdi
rumasa, seueur dosa. Sim abdi
nyuhunkeun ka Gusti, kana
pangampura Gusti pikeun jalmi
miskin jeung abdi nyuhunkeun
pangampura Gusti ka jalma nu
lumur dosa tur hina. Nun Gusti, abdi
nyuhunkeun pangampura kalawan
abdi nu kagungan soca jeung jiwa
raga abdi nu hina. Nun Gusti, mugi
Gusti ulah ngajadikeun panuhun
abdi ka Gusti nu nyababkeun lungsurna balai. Mugi Gusti masihan
rasa asih Gusti, saéstuna Gusti nu
panghadé-hadé tempat pitulung
sareng sahadé-hadé nu maparinan".
Amin Ya Robbal 'Alamin.
***
15
18. Milih Putra Daerah
Pilihan nu Hade tur Etis
T
umali jeung calon legeslatif keur
daerah asal kandidat, kacida
wajar jeung pikahartieunana
mun masarakat di eta daerah kacida
gede perhatian jeung mere pangrojong
sorana. Kitu teh deuih sarua we keur
urang Sunda ge, nu daerahna biasa jadi
gudangna sora dina pilihan umum,
sesebutan daerah teh bisa jadi daya
tarik. Da, memang wajar, putra daerahna aya jadi bagian tina kontelasi
pulitik di tingkat nasional.
Paguyuban Pasundan, minangka
kapal induk urang Sunda ngabogaan
pamadegan nu jauh ka hareup ngeunaan mangsa ka hareup ieu nagara dumasar kana lalampahan ieu organisasi
nu leuwih kolot batan NKRI. Sakumaha
ditetelakeun Ketua Umum PB Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. HM Didi
Turmudzi, M.Si., dina saban gempungan boh formal jeung pihak luar boh
obrolan rineh teu formal, kacida pantesna upama puncak kapamingpinan
nasional dina 2014 ka hareup ditempatan ku inohong Sunda. Hal saperti
kitu teh teu leupas tina sagudang alesan
anu kuat, lantaran urang Sunda mangrupa etnis kadua panglobana di ieu nagara. “Sim kuring neundeun harepan,
keur wakil presiden nu bakal datang,
asalna teh ti Jawa Barat atawa seler
Sunda,” pokna.
Paguyuban Pasundan boga pamadegan, nu jadi salahsahiji ‘representasi’
masarakat Sunda salila ieu lain eta
wungkul. “Kalugguhanana eces tembres, natrat katara ayana sarta geus
bukti gede mere kontribusina keur nagara jeung bangsa,” saur Prof. Dr. Didi
Turmudzi tandesna. Sumbangsihna,
Didi Turmudzi negeskeun deui, ruparupa widang garapan patali jeung pangrojong kana pangawangunan nasional
nya diantarana wae ngeunaan atikan,
sosial, ekonomi, jeung budaya. Ku lantaran kitu, pantes upama etnis Sunda
dibalitungkeun.
Leuwih jauh Didi Turmudzi miharep
inohong-inohong tea leuwih daria deui
Manglé 2446
Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi, M.Si.,
Ketua Umum Paguyuban Pasundan…
”Naon wae parteyna mah, pilih we putra
daerah. Pilihan nu hade tur etis”
tur mampuh mere sumbangsihna keur
nagara katut bangsa. Atuh, pihakna ge
miharep warga Jawa Barat sareundeuk
saigel sabeungkeutan jeung silih rojong
lantaran krisis solidaritas ‘kasukuan’
bakal timbul upama harepan-harepan
nu diajam saperti di luhur teu ngawujud. “Jadi, nu jauh urang deukeutkeun,
nu deukeut urang layeutkeun, geus
layeut urang paheutkeun." Enggoning
ngawujudkeun rancage gawe ngawangun Sunda!
Papatah netelakeun, urang ulah salah
milih wawakil nu baris majuangkeun
urang di parlemen. Dina harti, yen
wawakil nu nepikeun kareteg jeung
harepan urang teh kudu jalma nu
bener-bener nyaah ka lemah caina.
Hartina, nyaho kana naon nu jadi
angen-angen balarea, bisa ngajaga lembur, ngamajukeun daerah, jeung ngaraharjakeun masarakat di daerah nu
diwakilanana. Eta hal, ceuk Prof. Didi
negeskeun bakal tumuwuh mun eta
wawakil rayat di parlemen teh benerbener lahir, tuwuh jeung ngakar di
daerah pilihanana, ari wakil nu jolna ti
luar, asa pamohalan daek bajoang
kawas kitu!
Mapag 2014, saperti biasa, ti pusat
‘ngadrop’ calegna ka saban daerah,. Nu
kawas kitu teh, biasa dipilampah ku
saban partey pulitik. Otoritas pusat
kalayan rupa-rupa ‘transaksina’ moal
ngabalitungkeun kapentingan
kepentingan daerah. Daerah ngan ukur
dijadikeun objek atawa ‘pasar’ transaksi. Nu kawas kitu, lir panumpang nu
nyiliwuri nu ngageringan demokrasi.
Keur wewengkon Jawa Barat, mingkin teu sehat, lantaran meh kabeh
partey pamilon pilihan umum, ketuana
teh apan euweuh nu asalna ti tanah
Sunda. Ilikan we, Partai Demokrat,
Partai Golkar, Partai Demokrasi Indonesia Perjuangan, Partai Persatuan
Pembangunan, Hanura, Gerindra, Nasdem, PKB, PKS, jeung sajabana.
Balukarna, loba caleg di Jawa Barat lain
putra Sunda. Nu kawas kitu, kacida ironisna! Atuh, keur ngajaga lembur, dina
pilihan umum 2014, boh keur anggota
DPR RI boh keur DPD, sawadina urang
Sunda! Lantaran putra daerah mah
pasti bakal leuwih ngaheulakeun
kapentingan daerahna. Harepan kitu,
mangrupa sikep pulitik nu dijaga ku
ajen-inajen demokrasi. Jadi, naon wae
parteyna mah, pilih we putra daerah.
Kitu teh, pilihan nu hade tur etis. Memang, milih nu didrop ti luhur ge hade,
tapi teu etis, ku lantaran kitu, pilih we
nu hade tur etis.
Prof. Didi nambahkeun, pangrojong
kitu lain ‘sentimen kasukuan, tapi lantaran ti baheula urang Sunda boga sajarah ngawangun ieu bangsa. Ngan,
dina mangsa Orde Baru, nu kawas kukitu teh teu tembong.
Meunang-eleh mah urusan Alloh, nu
pasti kahayang teh lain ukur lalambe,
tapi kasiapan jeung patekadan anu
buleud! Jadi, geus mangrupa patekadan, saha wae presidenna, wapresna
urang Sunda, eta teh patekadan nu
kudu dibajoangkeun. ***
17
19. Helli in
Memoriam
Carpon Rizky Prasasti Anwari
A
yeuna,
manéhna
geus anakan,
loba.
Harepan
ngan ukur jadi impénan.
Maluguran, maruragan.
Kahanjakal ngajorag,
nyisikudi.
“Helli, kemari! Jangan
tinggalkan aku! Aku
sayang padamu!” cék
manéhna bari nyium
tarang uing, welasan
18
taun katukang.
Rasa ngajomantara.
Dunya gé asa nu urang
duaan. Nyaan, asa nu
duaan. Tapi.. ah!
Kuduna barudak éta téh
jadi budak uing. Uing nu
kuduna jadi Bapa maranéhna téh.
“Anjeun hianat, Cha!
Anjeun hianat!” Sora
awor jeung séahna angin
peuting teu bisa ngéléhkeun ratugna eusi haté.
Saban peuting uing
ngagogog jeung sabaturbatur, papada anjing.
Ayeuna, uing milih kuricakan, tingguluyur ka
mana baé jeung anjinganjing sejen. Hirup mah
lain pikeun diteumbleuhkeun kana hiji pilihan, gerentes uing ka
hiji rarasaan nu tuluy
bahula, nu tuluy tatanya.
“Geus sia téh! Loba
kénéh lauk di sagara.
Teu jodo jeung lauk
emas, sugan atuh meunang lauk koi!” cék uing
jéngkél. Nu tadina pakucrut dumadak simpé.
Rarasaan nu bahula
laun-laun rerep. Leungit.
***
Nepi ka hiji poé uing
panggih deui jeung anjeun di dinya pisan. Di
pasar anu éta. Uing keur
ungas-ingus ngambeu
bau hirup. Mapay panas
nu ngabetrak. Merjoangkan diri.
“Helli, kemari!! Kok
kamu bisa di sini? Aa,
Tétéh sini! ” cék
manéhna bari muru
uing.
Nu digeroan Aa jeung
Tétéh teu nyalampeurkeun, pada sibuk
Manglé 2446
20. ngomé lauk si Joshua.
Persis. Pada ngubekan
caina, pada mabok
laukna. Uing teu némbal, Uing tungkul
ngeluk.
Uing sok sieun nyanghareupan patepung
jeung nu séjén bari teu
disangka-sangka.
Manéhna imut, amis
kareueut lir peueut.
Padahal mereun manéhna geus ngajebian,
ngaléléwé, ngajejeléh
Uing. Enya atuh da saha
nu nyaho jero-jerona
haté awéwé. Uing teu
nyampeurkeun, Uing
indit. Uing lumpat.
Jauh.. beuki jauh. Beuki
jauh..ka béh pasir.
Di pasir, Uing panggih
jeung Embé. Manéhna
duaan, tapi lain jeung si
Manglé 2446
Tasya. Duka ka mana ari
si Tasyana mah. Ngan
nu kasampak téh si
Susan. Heueuh, manéhna jeung si Susan. Uing
nyampeurkeun.
“Mbé, uing galau! Uing
manggihan si Chica di
pasar. Rarasaan nu baheula rerep, ayeuna
motah deui. Bahula!”
“Ké..ké..ké.. saha ieu
téh?” Susan nanya
panasaran.
“Si Helli, San. Helli
gukgukguk téa. Yang
suka berlari-lari,” témbal Embé.
“Aéh heueuh. Lain anjing leutik deui ayeuna
mah. Mani pangling,
kasep!” cék Susan bari
nepak taktak Uing.
Sanggeus nyarita lila,
Uing, Embé, jeung
Susan muru ka dayeuh.
“Heup! Heup!” cék
Susan bari nyiwitan
tonggong Embé, “Geus
sia mah népi ka dieu
wéh, Embé. Dagoan!”
cenahna deui, bari nangtung dina tonggong si
Embé.
Si Embé unggeuk
ngagugu. Nungguan di
lawang dayeuh. Susan
ngajleng, nérékél kana
tonggong Uing. Gék
diuk.
“Siap??” cék Susan ka
Uing.
”Siaappp!!!!” témbal
Uing semu ngagorowok.
Uing lumpat. Lumpat
sakalumpat-lampét cara
nu geus diparéntahkeun
ku Susan basa keur nyarita di pasir bieu. Cék
Susan lumpat Uing gancang. Kapan dina lagu gé
Uing senang berlari-lari.
Nu matak manéhna
milih Uing dina ieu papancén. Kitu deuih si
Embé gé. Manehna cék
Susan jago nyumput.
Kapan baheula gé
kungdi ditéangan ku si
Caca Marica héyhéy teu
kapanggih waé népi ka
ayeuna. Nu matak
manéhna dipapancénan
ngadagoan Uing jeung
Susan balik deui.
Ngadagoanna di lawang
dayeuh. Mun Uing jeung
Susan balik deui,
manéhna nu ngatur tempat nyumput téh.
Geus népi puseur
dayeuh, jalma paciweuh.
Birat. Biur. Burudul.
Patulayah nu paringsan.
Tinggalolér nu maraot.
Nu ampun-ampunan.
Ambulan ngahéang.
Susan atoheun, Susan
beuki motah. Manéhna
teu ereun nojosan jalma
nu pasuliwer. Nu kaliwatan. Nu diliwatan taya
nu kaliwat. Sadayana katojos. Sadayana aduhaduhan. Sadayana
ampun-ampunan.
Nu pingsan beuki riab.
Nu maot beuki loba.
Helli ngagogog. Susan
nyikikik seuri. Jalma
peurih-ceurik-nyeri.
Mall–mall rarugrug.
Gedong jangkung melengkung. Kadangu ti
kajauhan, “Susan kalo
gedé mau jadi apa?”
“Mau Suntik orang
lewat! Jus jus jus...!!”
***
Isukanna dayeuh ramé
deui. Rajeg jalma-jalma
ngajalajar. Tingseledek
pada hayangeun asup ka
balé kota. Nu geus di
jero balé kota nyaranyi.
Aya nu nyanyi Helli, aya
nu nyanyi Susan. Aya nu
nyanyi Anak Gembala.
Aya nu nyanyi Diobokobok. Aya nu nyanyi
Mana di Mana Anak
Kambing Saya, jeung
réa-réa deui. Katara ti
kajauhan, di tengah balé
kota aya Chica, Joshua,
Tasya, jeung Ria Enes
digarantung.
Dina dadana ngajeblag tulisan: KACANG
LUPA KULITNYA!
Di béh kalérna, Boyband, Girlband, digarantung awakna wungkul.
Duka ari mastakana
mah, duka ka mana.
Dina awakna ngajeblag
tulisan: BEGOG SIAH
AH!
Uing, Susan, jeung
Embé nyumput dina
haté anjeun séwangséwang. ***
September 2013
*) Rizky Prasasti Anwari, Mahasiswa JPBD
UPI
19
21. Carpon Anton Chekhov
F
yodor Petrovich,
Diréktur Departemen Urusan
Sekolah Nasional Distrik N,
katelah jalma nu ngarasa dirina adil tur béréhan. Dina
hiji mangsa, manéhna
narima sémah di kantorna.
Éta sémah téh taya lian ti
guru Vremenskii.
“Teu bisa, Vremenskii,”
pokna, “PHK moal bisa ditolak. Mun sora anjeun
angger kawas kitu, anjeun
moal bisa neruskeun jadi
guru. Naha sora anjeun bet
tepi ka kitu?”
“Basa awak keur ngésang,
kuring nginum bir tiis,”
témbal Vremenskii. Sorana
persis kawas ciricit beurit.
“Hanjakal pisan! Geus
20
opat welas taun anjeun
babakti. Bet ayeuna ngadadak ngarandapan musibah
kawas kieu! Karir anjeun
leungit ku perkara nu teu
pira. Tuluy ayeuna naon
tarékah anjeun?”
Guru Vremenskii teu
lémék sakemék-kemék
acan.
“Ari anjeun geus rarabi?”
“Kuring geus boga pamajikan jeung anak dua…” Vremenskii nyiricit deui kawas
beurit.
Simpé sajongjongan. Fyodor nguniang tina méja,
tuluy leumpang pulanganting ti hiji juru rohangan
ka juru rohangan séjénna.
Gulinggasahan naker.
“Kuring bingung kudu
kumaha!” Pokna. “Mun
Awéwé
terus jadi guru, tangtu moal
bisa. Katambah umur anjeun gé can nepi kana waktu
pangsiun. Tapi ngantep anjeun jadi pangangguran ogé
teu hadé. Keur kuring, anjeun geus opat welas taun
babakti kalawan hadé, tugas
kuring jeung departemén
taya deui iwal ti kudu mantuan anjeun. Tapi kumaha
carana? Bayangkeun mun
anjeun jadi kuring, ayeuna
kuring kudu kumaha?”
Kemba sajongjongan. Fyodor terus pulang-anting tur
uteukna teu reureuh mikir.
Sedeng Vremenskii nu keur
dilimpudan ku kabingung,
katémbong sarua keur mikir. Ngadadak paroman
Fyodor katémbong marahmay. Malah ramo-ramona
tuluy ngetrokan méja.
“Anéh, kunaon kuring bet
teu ti inget ti tatadi!” Pokna
hariweusweus.
“Kuring boga usul keur
anjeun… Minggu hareup
juru tulis di pondok piatu
rék eureun digawé. Anjeun
bisa ngaganti manéhna!”
Vremenskii ngadadak asa
kagunturan madu kaurugan
menyan putih. Paromanna
katémbong jadi cahayaan.
“Alus pisan. Éta bisa jadi
modal,” omong Fyodor.
“Poé ieu anjeun kudu nulis
surat permohonan…”
Sanggeus ngaleupaskeun
Vremenskii tina pagawéanana, Fyodor ngarasa teu
deui ditapuk ku mangrébu
bangbaluh. Malah manéhna
ngarasa sugemaeun, lan-
Manglé 2446
22. taran ayeuna hareupeun
manéhna teu katémbong
deui guru nu awakna bongkok tur sorana nyiricit kawas
beurit. Manéhna gé ngarasa
bungah naker, lantaran ku
cara méré pagawéan jadi
juru tulis ka Vremenskii,
hartina manéhna geus jadi
jalma nu adil tur ihlas. Tapi
éta panyangka manéhna téh
horéng teu lila. Mangsa
manéhna mulang, Nastasia
Ivanovna, pamajikanana
ngadadak inget kana hiji
perkara:
“Aéh, méh baé hilap! Kamari Nina Sergeyevna
sumping ka dieu. Saurna,
aya pameget nu milari
padamelan. Kapan di pondok piatu aya lowongan.”
“Enya, tapi tempat éta rék
dieusian ku batur,” ceuk
Fyodor bari kerung. “Jeung
deuih piraku teu apal kana
aturan Akang. Can kungsi
Akang mah méré tempat ka
hiji jalma alatan aya rélasi.”
“Abdi gé terang, tapi
kanggo Nina Sergeyevna
mah piraku teuing. Anjeunna mah ka urang téh tos cara
dulur pet ku hinis baé, sedengkeun urang dugi ka ayeuna teu acan males kana
kasaéanana. Ulah pisan kagungan niat nolak. Upami
Akang nolak, hartosna
Akang tos nguciwakeun abdi
sareng anjeunna.”
“Ari kitu, saha nu rék
diusulkeunana?
“Polzukhin.”
“Polzukhin nu mana? Nu
harita amprok di imahna
Chatskii basa taun baru lain?
Nu jéntelmén téa? Ah, ulah!”
Fyodor nu keur segut barang
dahar tepi ka ngarandeg
heula.
“Teu bisa!” Pokna deui.
“Gusti masih nangtayungan
Akang!”
“Kunaon kitu?”
“Ibu kudu nyaho, mun
lalaki teu daék usaha sorangan, tapi usahana téh ngaliwatan awéwé, hartina ma
néhna bisa narik simpati
awéwé. Tukang lélétak téa
kasebutna. Kunaon manéh-
Manglé 2446
na teu datang sorangan ka
Akang?”
Sanggeus rérés dahar,
Fyodor tuluy gogoléran dina
sofa di kamarna bari
macaan koran jeung suratsurat.
“Fyodor Petrovich nu
bageur!” Kitu unina surat ti
pamajikan walikota. “Anjeun kungsi ngalandi kuring
bisa maca eusi haté jalma.
Ayeuna anjeun kudu ngabuktikeun ku kanyataan.
Sakeudeung deui bakal
datang lalaki nu ngaranna
K.N. Polzhukin, lalaki nu
tara nyieun codéka tur bisa
narik simpati. Manéhna
bakal ménta tulung sangkan
bisa jadi juru tulis di pondok
piatu urang. Mun anjeun
narima manéhna, anjeun
bakal percaya…” kitu
sawatara eusi éta surat.
“Teu bisa!” Ceuk Fyodor.
“Gusti masih nangtayungan
kuring!”
Sanggeus manéhna nampa éta surat, saban poé manéhna terus narima suratsurat nu eusina rékoméndasi sangkan Polzhukin ditarima jadi juru tulis. Ku teu
sangka atuh, isuk-isuk
Polzukhin ngadadak datang
ka imah Fyodor. Awakna
katémbong bayuhyuh, maké
baju hideung, tur potongan
buukna persis siga joki.
“Keur urusan kantor mah
kuring tara narima jalma di
dieu, tapi di kantor,” ceuk
Fyodor sanggeus ngabandungan pameredih
Polzukhin.
“Hapunten, tapi sadaya
rélasi abdi miwarang supados dongkap ka dieu.”
“Hmm…” Fyodor
ngagerendeng bari neuteup
seukeut kana sapatu Polzukhin nu nyungcung tungtungna. “Kuring terang,
cenah Bapa anjeun jalma
aya, jadi anjeun moal merlukeun pagawéan nu ieu. Keur
naon pagawéan ieu? Keur
mah gajihna gé leutik!”
“Kanggo abdi mah sanés
artosna, tapi… Sareng deuih
ieu mah urusan dines na-
gara…”
“Oh, kuring yakin, dina
waktu sabulan anjeun bakal
ngarasa bosen jeung bakal
ninggalkeun pagawéan ieu,
sedengkeun aya kénéh
calon-calon juru tulis
séjénna nu nganggap lowongan ieu téh karir saumur
hirup. Aya jalma-jalma nu
teu boga, nu…”
“Abdi moal ngaraos
bosen!” Témbal Polzukhin.
“Abdi badé narékahan supados teu bosen!”
Harita Fyodor ngarasa
sirahna kawas nu rék bencar.
“Kieu baé,” pokna bari
seuri semu ngahina, “kunaon anjeun teu langsung
nepungan kuring, tapi kalah
ngaganggu heula awéwé?”
“Abdi teu terang mun
perkara nu éta temahna
matak teu pikaresepeun,”
témbal Polzukhin. “Tapi
upami numutkeun Bapa
surat-surat éta taya hartosna, abdi tiasa masihan
surat katerangan ieu…”
Manéhna ngaluarkeun
kertas tina sakuna, tuluy diasongkeun ka Fyodor. Dina
éta surat nu ditulis ku basa
jeung tulisan kantoran téh
horéng aya tanda tangan…
gubernur! Mun disidiksidik, katémbong gubernur
téh nanda tangan kalawan
rurusuhan, teu maca heula
eusi suratna, éstu sangkan
leupas tina awéwé nu terus
ngaganggu manéhna.
“Dalah dikumaha. Kuring
kudu gugon. Kuring ayeuna
bakal tumut…” ceuk Fyodor
sanggeus maca éta surat,
tuluy ngarahuh panjang
naker. “Heug, isukan anjeun
nyieun surat permohonan…
Dalah dikumaha deui…”
Sanggeus Polzukhin indit,
Fyodor tuluy meupeus
keuyang, ngaluarkeun sakabéh kaijidna ka Polzukhin.
“Tukang lélétak!” Gerentesna bari pulang-anting ti
hiji juru rohangan ka juru
rohangan séjénna. “Geus
hasil tah Si Kasebelan téh!
Tukang lélétak ka awéwé!
Bangkarwarah!”
Teu antaparah deui, Fyodor tuluy nyiduhan panto
hareupeunana, padahal
Polzukhin keur nyumput di
satukangeun éta panto.
Sabot kitu, ngadadak
manéhna ngarasa baluweng
nu pohara, sabab pamajikan
Kepala Jawatan Pajak
ngadadak asup ka rohangan
manéhna.
“Kuring moal lila,
sakeudeung…” ceuk éta
awéwé. “Diuk heula Bapa
Baptis. Déngékeun kuring…
Ceuk béja, di dieu aya
lowongan gawé… Isukan
atawa poé ieu bakal datang
lalaki ka dieu, ngaranna
Polzukhin…”
Éta awéwé téh terus
norowéco, sedeng Fyodor
terus neuteup ku sorot mata
nu nyidem kaceuceub.
Isukna, mangsa narima
Vremenskii di kantorna, Fyodor sajongjongan ngaheneng baé, teu nyaritakeun
kajadian nu saenyana. Fyodor ngarasa baluweng, sarta
bingung kudu kumaha nya
pipetaeun. Manéhna hayang
ménta hampura, nyaritakeun kajadian nu sabenerna,
tapi létahna bet karasa seuseut kawas létah jalma nu
mabok, ceulina ngadadak
asa kaduruk, tur pangpangna mah manéhna ngarasa
hanjakal nu pohara.
Ngadadak peureup Fyodor
tuluy neunggeul méja, tuluy
ngajleng jeung ngajorowok:
“Euweuh lowongan!
Geura indit ti ieu rohangan!”
Tuluy Fyodor kaluar ti éta
kantor.***
Carpon Awéwé ditarjamahkeun ku Prayoga
Adiwisastra tina carpon Ladies karangan
Anton Chekhov. Ieu carpon kungsi ditarjamahkeun kana basa
Indonésia dina antologi
carpon Pengakuan
(KPG, 2004). Vérsi basa
Inggrisna dimuat dina
website: www.readbookonline.net.
21
23. Handphone
Carpon Hikmat Nugraha
H
ayang mah
geus lila
boga hp
(hapé) téh.
Kuring
kabita ku kikirilikanana
hp nu kapiadi. Bubuhan
geus boga gawé manéhna
mah, kabeuli hp. Hp teh
jadi lifestyle, jeung jaga
gengsi, pangpangna hareupeun bébéné, keur nu
geus boga mah. Ari keur
nu can bogaeun mah nya
keur gaul wé. Atuh da
lamun pareng wawawuhan jeung awéwé téh, sok
marénta nomer hp.
22
Ayeuna geus kacumponan boga hp téh. Ku kuring dipaké pikeun wawa
wuhan atawa komunikasi, boh jeung nu deukeut, boh jeung nu jauh.
Malah aya nu keur di
Malaysia ngirim sms ka
kuring. Cenah manéhna
téh pendengar setia RSI
(Radio Singapura Internasional seksi Indonesia)
nu saban peuting didéngékeun ku kulawarga
kuring. Resep sotéh,
bubuhan aya penyiarna
nu urang Bandung, Entin
ngaranna. Manéhna geus
lila mukim di
Singapura.
Kawas ngadéngékeun Hidayat Ranumi
hardja di Radio Australia.
Asa deukeut,
jeung asa ka
dulur, najan
paanggang gé.
Enya tétéla
geuningan ku
hp mah, ka
luar negri gé
bisa dipaké da
aya perusahaan telekomunikasi nu nga
yakeun tarip
husus pikeun
user produk
manéhna.
Boga hp téh
dipangmésérkeun ku Ambu,
indung kuring.
Pédah aya sésa
tina ngarenopasi imah,
saurna.
Ngeunahngeunahna mah boga hp
téh. Ngan palebah marabanana yeuh, rada uleng.
Alusna, boga hp téh, informasi gancang katarima. Hayang panggih
jeung nu kakara wawuh
mah hasil tina chatting
gampang pisan atuh.
Goréngna, mun aya sms
iseng. Telepon iseng
lolobana mah miscall.
Ayeuna mah diteundeun,
disidem di kamar, da leungeun ateul, hayang
mencét waé tombolna.
Teu ngasms pasti nelepon
atawa maen gim. Jadi
pusing mikiran keur ngawaragadan pulsa-na. Aya
éta gé pilihan harga, ti
mimiti nu tujuh rébu,
sabelas rébu nepi ka ratusan rébu. Ngan angger wé
lieur mikiranana.
Orokaya boga hp téh geuningan teu gampang,
tetep wé kudu boga pangasilan. Untungna deuih
kuring sakapeung sok
boga duit tina ladang
nulis, cukup keur meuli
pulsa mah.
Nyeta atuh kakara sadar kuring ge kabawakeun dikawasa ku tek
nologi canggih. Apan
bareto mah keur can
usum, indit ka mamana
tara ieuh mamawa HP.
Teu naha teu nehe. Ari
ayeuna mah teu bga HP
teh apan mani asa
longkewang naker.
Geus dua kali hp téh
contact service. Tilu kali
malahan mah. Kungsi
nepi ka opat poena diservis téh, panyakitna téh
kitu jeung kitu waé. Bari
mayarna mah angger,
tapi teu walagri deui. Di
pusatna mah geuningan
ngan ukur lima puluh
rébu rupia. Jaba bisa ditungguan, ukur saparapat
jam, cageur deui. Garagarana, éta hp murag tina
saku calana dina beus,
dua minggu ka tukang.
Maké rada ngarepngarep, iraha kabeuli
deui hp. Batan kapok
kalah gawok geuningan.
***
Srigadis Juni 2013,
Panglawungan 13
Manglé 2446
24. Arom Hidayat
Lagu Parongpong
Parongpong jalan ka Lémbang
kalah panggih jeung pudunan
teu wasa nanyakeun
ngan ngamanggakeun
nu undur laun-laun ngajauhan
bareng jeung hiji péngkolan
Parongpong jalan ka Lémbang
barieukeun nempo kembang
di dieu dipelak? Heueuh
mangkak di dayeun
nyeungitan peuting cenah
lain, rék nyeungeut peuting kétah
Parongpong jalan ti Lémbang
kalah panggih jeung tapak sorangan
sugan di pudunan nu itu
boa di péngkolan béh ditu
ari éta hégak saha? Inghak saha
kawas keur mupus tanjakan
Bandung, 2013
Sapanjang Pasoepati
Rék naon nu dikotrétkeun
dina témbok nu rakocét
récét manuk dina kurung
atawa simpé nu ngalaung
ti cukleuk leuweung
ka cukleuk lamping
Rék naon nu diulaskeun
kana kanvas nu bareueus
rembes késang bulu taneuh
atawa geutih nu teu reureuh
disusutan
ku cimata
Bandung, 2013
Manglé 2446
23
25. Neang Paraji
T
umaninah lebah
dieu teh lamun
beurang mah.
Jalanna datar
jeung lurus,
kaiuhan tangkal awi, rajeg
sajajalan. Komo lamun nuju
ngoprot kesang mah, calik
luhureun batu, asa dipepe
nde ku angin nu ngahiliwir.
Tapi umpama peuting,
kacida geueumanana, poek
mongkleng butaraju.
Tangkal awi pating reket
katiup angin. Sora cihcir
jeung jangkrik patembalan.
Ceuk bapa kuring, di ieu
wewengkon teh, baheulana,
duka iraha da beja deui,
pabeja-beja deui ti kolot baheula. Cenah aya nu miceun
orok. Malah tisaprak harita
dijadikeun pamiceunan
orok. Orok nu ngahaja
digugurkeun tina kandungan. Kawentar Nini Enoh,
paraji nu tega baluas jeung
bisa ngalakukeunana. Ti
saprak harita wewengkon
teh jadi angker, katelah
Legok Orok. Lamun wanci
peuting sok kacaturkeun
aya sora orok ngagoar. Dina
luhur batu sok aya jirim
budak keur diuk. Sawareh
ngabejakeun sok aya nu
nangkod dina tonggong, nu
mareuman obor, nu nepak,
nu ceurik, nu kitu jeung nu
kieu rea pisan kajadian nu
teu ka hontal ku akal.
Keur jalma ngompod,
pamohalan wani nyorang
24
Ku Rian D. Firdaus
ieu wewengkon sosoranganan. Kuring mah ngadenge
beja pikasieuneunana, geus
murinding bulu punduk.
Pikumahaeun lamun kudu
nyorang. Kungsi eta oge ari
nyorang mah, sakali-kalina,
bari harita teh teu ngahaja.
Keur teu sadar, da lamun
inget mah, sakumaha butuhna ge moal sosoranganan, rek menta dibatur
an. Harita mah dilinglung
keun, dipohokeun kana
carita angkerna Legok Orok
teh.
***
Tabuh hiji peuting, mitoha lalaki ngaguyahkeun.
Ngabejaan, cenah pamajikan karasa beuteung.
Harita pamajikan keur
kakandungan nincak bulan
alaeun, enya kawasna rek
ngalahirkeun. Sanggeus hudang, kuring teu nolih nanaon, teu loba pikir, teu
loba tanya. Langsung ngagedig, maksud rek neang
Nini Junti, rek dititah marajian pamajikan, da anjeunna teh paraji turunan ti
Nini Enoh. Ari neang bidan,
asa pamohalan da jarakna
pohara jauh. Puskesmas Cisompet anu pangdeukeutna
anggangna salapan kilometer ti lembur kuring teh.
Kuring terus ngagedig.
Pamajikan mah dibaturna
mitoha ieuh, ti beh ditu
mula geus maturan, ngen-
dong. Sajajalan pikiran
manteng ka pamajikan,
lengkah digancangan,
satengah lumpat, hayang
geura nepi. Poek teu paduli,
cape teu dirasa.
Ceuk babasaan; tunggul
ditubruk catang dirumpak.
Lalampahan teu karasa,
nepi kanu dituju.
“Punten, punten…” ceuk
kuring bari ngetrokan panto
imah Nini Junti.
Sakedapan teu aya nu
nembalan, sabudeureun
rehe comrek, hawar-hawar
kadenge pating reket
tangkal awi jeung pating korosak daunna, ka tiup
angin.
“Punten, punten…Nini
aya, aya di bumi?” sambung
teh bari ngareretan kaayaan
imah jeung sabudeureunana.
“Punten, Ni, Nini aya di
bumi,” dibedaskeun ayeuna
mah sora teh.
Sanggeus sababaraha kali,
kakara uluk salam kuring
aya nu nembalan.
“Saha?” sora nini-nini ti
jero. “Dorong weh panto
mah da teu ditulakan,”
Bray, dibuka. Di tengah
imah, Nini Junti keur nangunjar lambar bari nyeupah. Saking bungah, kuring
teu basa-basi.
“Nini… Itu pun bojo bade
nga…”
Nini Junti nempas
“Nini geus nyaho,”
nyiduhkeun seupah kana
tampolong. “Si Nyai rek
ngalahirkeun pan? Nini
mah geus nyaho!” ditungtungan ku seuri ngaheheh
kawas seuri Mak Lampir
dina pilm-pilm. Bulu punduk langsung kukurayeun.
Colohok bati heran jeung
kaget. Naha Nini Junti seuri
kitu. Jeung eta seurina kawas nu ngahaja nyingsieunan. Asa nongtoreng, napel
na kuping ka denge wae.
Breh, ingetan jadi kahudangkeun. Sadar, Gusti...
Nya jeung saha uing kadieu,
sosoranganan gening,
mangkaning tadi teh nyorang Legok Orok, euleuh
engke teh bakal kasorang
deui, mulangna. Keun bae
da engke bareng jeung Nini
Junti...
Ninggal kuring nungabetem Nini Junti cumarita
deui.
“Tong heran, aya nu
kadieu pasti aya nu ngajuru,
mun awewe hamil kadieu
pasti menta digugurkeun
kakandunganana,” pokna
angger ditungtungan ku
seuri ngaheheh, bulu punduk kuring tambah muringkak.
“Muhun, pun pojo teh
kawasna bade ngalahirekeun!” ngawani-wani kuring nyarita. “ diditu teu aya
nu tiasa!”
Nini Junti neuteup, teu
nembalan. Kalah nyisig.
Manglé 2446
26. “Jig we mulang deui! Nini
engke nysusul, barudak can
sare,” tembalna bari ngareret ka kamar. Di jero kamar
kadenge sora budak recet,
lenger.
“Kumaha Ni?”
“Hidep mulang tiheula, ku
nini engke disusul, nini rek
mepende heula barudak.”
angger ditungtungan seuri.
“Tapi Ni, Nini teu aya rencang!” tembal teh, bari hate
mah miharep pisan babarengan, teu sanggup kudu
mulang sosorangan mah.
“Nini mah hayang sorangan. Jig hidep tiheula, da
moal lila mepende mah,”
tembalna ditungtungan
seuri ngaheheh panjang,
panjang pisan. Bulu punduk
kuring beuki ngajadi-jadi.
Teu loba tanya deui,
awahing ku teukuat sieun
ngadenge seuri Nini Junti,
kuring nurut kana kahayangna. Na pikiran teh geus
di luar mah rek ngagudrag
tatangga Nini Junti, rek
menta dianteur mulang
Manglé 2446
mah. Laju pamit, Jrut,
kaluar ti imah Nini Junti.
Asa can lila, asa karek
sababaraha lengkah, teuing
teu karasa pedah bari raratreret ninggalian imah tatangga Nini Junti tea, kuring
geus nyinghareupan batu.
Bati ngajengjen, ret ka
tukang, ret kasabudeureun,
bati ngagebeg. Enya batu nu
disinghareupan teh batu nu
aya di Legok Orok. Gusti...
kuring geus aya lebah dieu.
Naha geus nepi kadieu, naha
teu manggihan imah tatangga Nini Junti. Keur kitu, ti
arah hareupeun katinggal
aya seuneu ngagebur ngalayang. Awak ngeleper,
babacaan beak karep.
Seueneu nu ngagebur teh
kalah ngadeukeutan, sautiksaeutik ngadeukeutan. Katinggal aya dedegan,
hideung ngabelegbeg. Reg,
dedegan jeung seuneu eureun.
“Saha eta?” pokna
Teu ditembalan. Kuring
mundur, undur-unduran.
Beretek, balik deui ka
tukang. Meunang
sababaraha puluh lengkah.
Reg, ngreret ka lebah dedegan jeung seuneu ngagedur
tea, angger aya, angger
ngadeukeutan, nuturkeun.
Beretek deui, sateker kebek
muru imah Nini Junti
“Ni, Nini, Niniiiii…” ceu
kuring bari ngagedoran
panto. Sababaraha kali
gogorowokan tapi ti jero
taya nu nembalan. Panto didorong pageuh ayeuna mah
kawasna geus dikonci.
“Nya kamana ari Si Nini,
da tadi mah aya. Piraku geus
miang, jeung maenya teu
panggih di jalan.” gerentes
teh bari ngareret ka arah
jalan. Ngan gebeg teh, hate
ngarenjag beak karep. Dedegan jeung seuneu nu ngagebur aya katinggal deui.
Nuturkeun gening, ngabeberik. Kuring ngajengjen
bati neutup seuneu nu
saeuti-saeutik ngadeukeutan, kesang morolok dina
sakujur awak. Seuneu terus
ngadeukeutan. Ngadeukeutan, ngadeukeutan, katinggal ku kuring dedegan teh
aya tilu. Panghareupna
nyekel seuneu. Dedegan
ngarandeg, kawasna neuteup ka kuring.
“Saha eta?” sora dedegan.
Teu diwalon sanggeus
sababaraha kali nanya
kakara di tembalan.
“Saha nu nyekel seuneu?”
“Ehh, kalah malik nanya,”
tembalna bari ngadeukeutan, kuring beuki sowak.
Dedegan beuki deukeut,
beuki deukeut ray-rayan
jelas. Horeng dedegan teh
mitoha lalaki, tukangeunana
aya Nini Junti jeung lanceuk. Ari nu hurung ngagebur mah obor nu dibawa.
Gusti, kawasna nu tadi di
Legok Orok ge aranjeuna.
Obor, nu disangka seueneu
ngalayang teh.
“Hidep gening,” ceuk mitoha, geus sidikkeun
meureun ka kuring. “Itu
budak ceurik neangan bapana, nya ka mana? diteangan tadi teh, rek diajak
ngajajapkeun mulang Nini!”
Sakedapan ngabetem.
“Kapan nyusul Nini
Junti,”
“Har, kapan Nini Junti
mah ieu.” saurna bari ngareret ka Nini Junti. “Sateu
acan hidep dihudangkeun,
Nini mah tos aya di bumi,
tos disusul ku bapa samemehna.”
“Harr…” kuring bati ngabetem. Heran, asa teu
ngarti. Pan tadi teh Nini
Junti keur nangunjar lambar bari nyeupah, miwarang
tiheula da rek mepende
barudak. Ret kasabudeureun. Gusti, tadi mah da nu
rajeg teh tangkal awi. Enya
ieu bumi Nini Junti mah,
rea tangkal junti ngurilingan
bumina. Ceuk beja, bumina
ge tina kai junti kabehanana.
Matak dilandih Nini Junti
da aslina Karnasih.**
25
27. R.S. Harjapamekas
nu Namper na Diri Kuring
T
aun 1957 Jurusan Basa
jeung Sastra Jerman
ngawitan dibuka. Harita
mah disebut kénéh
PTPG anu hartosna Perguruan Tinggi Pendidikan Guru.
Sanggeus milih sababaraha jurusan
nu aya, sim kuring milih jurusan
sastra Jerman. Enya, basana téh
milih da harita mah asal rapot ti
SMA alus pasti katampa malah teu
sabaraha lila sim kuring mah meunang béasiswa sagala anu jumlahna
cukup keur waragad hirup sederhana bari indekos di wewengkon
Ledeng, ngarah deukeut ka kuliah.
Kuring kaasup kana kelompok mahasiswa angkatan munggaran anu
lobana teu sabaraha mun teu salah
mah ngan ukur salapan urang.
Dosénna ogé teu loba ngan duaan:
kahiji urang Suis ngaranna Dr. C.
Korondo Funk, ari anu kadua nya
éta Pa Marbun téa harita mah
anjeunna kaitung asistén kénéh.
Sakali mangsa dina taun 1958
asana mah lamun teu poho kuring
meunang béja réhna rék aya dosén
anyar, bangsa urang, alihan ti Bogor
jenenganana Bapa R.S. Harjapamekas. Dina waktosna anjeunna
mimiti masihan kuliah, kuring geus
meunang exellent first impression:
ti luhur sausap rambut dugi ka sampéanana istuning rapih beresih
jeung berséka. Raksukanana beresih
rapih kenging nyetrika mani nyérépét, sapatuna hérang méncrang
kenging nyemir. Raksukan, jas
jeung kaméja sarta lancingan nu dianggo salawasna nyetél pisan.
Langkung payus upama anjeunna
nganggo topi lakén. Cék barudak
ngora jaman harita mah kasebutna
26
Ku Antoni Barbo
pangadeg Bapa Hardja téh many
dandy téa cenah. Sajabana ti éta anjeunna sok nyandak tas jingjing anu
aya tutupan.
Ari ceuk kuring mah tas anu
salawasna dicandak ku anjeunna téh
éstuning beuki nambihan pamantes.
Kabéhdieunakeun kuring nyaho yén
eusi tas téh sanésna ti buku kaperyogian kuliah, aya kantong leutik
wadah kacamata, payung leutik anu
tiasa ditilep kénging ngagaleuh anjeuna basa di Jerman sareng aya
cepuk leutik nu disebut kleine Ascehenberche anu fungsina kanggo
wadah sekar sareng kuntung roko
saparantos anjeunna nyesep, kumargi anjeunna mah sagala ogé
tarapti tara sagawayah miceun kuntung roko dimana waé. Perkawis
roko anjeunna kagungan resep
nyalira supados henteu aya mudaratna kana kaséhatan saurna ...
nyaéta dinétralisir ku ngaleueut
cikopi. Wallahualam ku émut sim
kuring mah, tapi anjeunna tos
ngabuktoskeun nyalira jagjag waringkas dugi ka sepuh. Apan nalika
jumenengna ogé yuswana méh 90
taun.
Basa kuring mahasiswa kénéh, anjeunna ngawulang Syntax anu eusina ngawengku tata cara ngedal
keun naon nu ku urang arék
diomongkeun maké sababaraha
cara anu béda tapi eusi jeung maknana henteu robah. Tangtu dina
nerapkeunana aspek-aspek gramatika ogé kudu anu tetep diperhatikeun. Keur kuring, matakuliah
anjeunna karasa pisan nulunganana. Kuring jadi biasa diajar ngapalkeun sababaraha modél anu
unggelna sarua kénéh tapi maké
sababaraha cara ngedalkeunana.
Kabeneran kabehdieunakeun sabada kuring lulus diangkat jadi asisten
dipapancénan ngawulang diantarana: Uebersetzung Deutsch-Indonesisch/Indonesisch-Deutsch
(tarjamah tina basa Indonesia ka
basa Jerman jeung sabalikna) atuh
matakuliah anjeunna téh pohara
loba pisan mangpaatna.
Nepi ka ayeuna kuring inget kénéh
seratan panangan anjeunna éstuning rapih pisan, atra ipis kandelna
sareng gampil diaosna. Kuring jadi
inget baheula jaman Pasundan di
tingkat SD aya palajaran nulis
nyaéta nulis ipis kandel téa, Bapa
Hardja meraktekkeun cara nyerat
ipis kandel iyeu. Upami anjeunna
nyarit éstuning tarapti pisan tara rurusuhan. Malah upami ditelek-telek,
saupami anjeunna nyarios basa Jerman tara pisan aya salah dina milih
kecap, waktu, deklinasi, modus, intonasi, jeung sajabana.
Ari perkara perhatosan jeung
pangdeudeul anjeunna kana miara
jeung ngarumat basa Sunda sakaterang simkuring konstribusi anjeunna ogé henteu leutik. Anjeuna
raket ogé hubunganana sareng Jurusan Basa Sunda. Sok sering riung
mungpulung sareng para dosén
Basa Sunda. Mun teu salah anjeunna ogé aktif ilubiung di Lembaga
Penelitian jeung Pengembangan
Basa Sunda anu kantorna luhureun
kantor Fakultas anu harita disebut
FKSS kénéh. Ari anu karasa pisan
ku kuring mah anjeunna sok
ngoréksi lamun sim kuring salah
maké kecap keur diri sorangan
atawa keur nu lian. Apan dina basa
Sunda mah loba kecap anu bener
Manglé 2446
28. keur diri sorangan, keur nu lian,
keur nu dipihormat jeung sajabana.
Lamun éta kecap patukeur tangtos
salah. Tah dina urusan ieu Pa
Hardja ahlina.
Aya hiji deui minangka pangélingngéling silaturahmi kuring jeung Pa
Hardja. Kuring mahasiswa kénéh
harita téh milu ilubiung dina organisasi Senat Mahasiswa kapapancénan milu aktif dina bagian hubu
ngan luar nagri.
Pa Hardja harita nuju studie opdarcht di Braunschweig. Asana mah
nuju studi bari badé nyusun disertasi perkara comprative education.
Di Braunschweig jenenganana Prof.
Dr. Georg Eckert, anu jabatanana
salaku Direktur Schrulbuchinstitut
salah sahiji institut anu aya dina
bawahan UNECSO anu pancénna
medar buku palajaran kanggo
sakola jeung paguron luhur utamina
anu aya di wewengkon Eropa. Ku
jasa anjeunna jurusan Basa jeung
Sastera Jerman IKIP kungsi narima
sumbangan sarébu jilid rupa-rupa
buku pelajaran tina basa Jerman.
Ku jasa anjeunna atuh harita mah
jurusan Basa Jerman téh ngabogaan
perpustakaan anu panglobana buku
diantara perpustakaan jurusan nu
aya di IKIP harita.
Ari kuring harita salaku anu kapapancénan ngurus hubungan luar
nagri di organisasi Senat Mahasiswa
ku pangdeudeul Bapa Hardja kuring
oge milu ilubiung ngayakeun korespondensi jeung Auslaendische Amt
Studentenausschuss der paedagogischen Hochschule Braunschweig (kira-kira sarua jeung
bagian hubungan luar nagri paguyuban mahasiswa Sakola Tinggi
Pedagogik di Braunshweig). Malah
ku pangrojong Bapa Hardja ogé kuring pipilueun susuratan jeung Prof.
Eckert jeung kungsi dibéré hadiah
sababaraha buku jeung potret Prof.
Eckert sasarengan duta besar Indonésia di Jerman jaman harita.
Sanggeus kuring jadi dosén,
malah asana mah ti sabada kuring
diangkat jadi asisten ogé silaturahmi jeung Pa Hardja téh asa beuki
deuheus baé. Malah anjeunna mah
ngabasakeun anjeunna ka kuring
téh akang jeung lamun nyaur kuring
Manglé 2446
nyebatna téh ayi Tony. Ari keur kuring tangtu nyugemakeun pisan tapi
paralun sieun dilebok maung kuring
teu pisan pisan wani nyebut kang
Hardja sieun hapa hui. Jadi kuring
mah nyebat anjeuna téh tetep bapa
waé. Keur kuring mah anjeunna téh
tetep guru lain wungkul dina widang
Basa Jerman tapi loba pisan hal-hal
sanésna éstuning pieunteungeun
pisan.
Dina widang élmu sanésna Pa
Hardja seueur pisan perhatosanana
sapertos: ilmu komputer.
Harita mah komputer can ilahar
jiga ayeuna. Kuring ogé can nyaho
anu disebut komputer téh kumaha
bungkeuleukanana, tapi Pa Hardja
mah tos mayunan nekunan ilmu
komputer bari nyusun diantarana
ajaran kompilasi ngeunaan istilahistilah anu biasa dipaké dina dunya
komputer.
Widang sanésna anu ditekunan ku
Bapa Hardja sakanyaho kuring mah
nyaéta Basa Latin, nalika jumenengna anjeuna tos hasil nyusun
Kamus Basa Latin anu kalintang
diperyogikeunana ku urang. Dina
perkawis ieu hiji waktos anjeunna
nyarios ka simkuring: “Yi Tony, di
masyarakat mindeng ungkapan
<mensana in corpore sano> dihartikeun majar téh dina raraga anu
sehat aya jiwa anu sehat. Pan ieu téh
henteu bener, saur anejunna. Kapan
anu gélo ogé aya anu jagjag waringkas. Jadi tarjamaahan tadi
pasalia jeung kanyataan. Kajadian
ieu téh kulantaran urang salah nyutat ucapan urang Yunani/Romawi
tea. Ieu téh sabenerna mah mangrupa doa urang Yunani anu sakedahna unggelna kieu: “Muga-muga
dina raga anu sehat jiwana ogé
séhat!”
Dina taun 60-an kuring kakapancénan migawé pangwangunan
komplek pendidikan nu lokasina di
Tutugan Leles. Sakali mangsa Pa
Hadrja, duka keur kaperyogian
naon kuring geus poho deui, sumping ka pagawéan kuring di proyek.
Sababaraha karyawan kuring anu
harita araya di dinya marunjungan
ka Pa Harjda bari ngaromong bapa
Camat, bapa Camat cenah.
Kabéh dieunakeun kuring nyaho
yén pa Hardja téh kantos jeneng
Camat di Kadungora. Anjeunna teu
kinten dipikawanoh ku para warga
di Kadungora kumargi sok turni
lebet kampung nganggo sepeda.
Blusukan téa meureun ku basa
ayeuna mah.
Pangalaman anu sarua ku karandapan basa kuring babantu digawé
di Kotamadya Bandung. Basa kang
Otje jadi walikota Bandung kuring
dipénta ku anjeunna babantu di sekertariat partnersip BandungBraunschweig. Kantorna ngahiji
kénéh jeung bagian anu sanés di
Jalan Wastukencana. Sarua kajadianana, kuring kasumpingan pa
Hardja, tadina mah kuring rék
ngawanohkeun anjeunna ka babaturan ti bagian sanés tapi saruaangan
kénéh. Tapi teu kantos der ngawanohkeun da aranjeunna tos wanoh
manten ka pa Hardja, sung song
marunjungan, malah salah saurang
nyaletuk ka kuring: ieu téh kapungkur mah Bapa Wadana Karéés
tea, Ton. Bari melong ka kuring. Ti
harita kuring jadi nyaho yén Pa
Hardja kantos dibenum diwewengkon kotamadya Bandung janten
wadana di wilayahah Karéés.
Sakali mangsa sim kuring kasumpingan pa Hardja miwah ibu ka
rorompok di Cihampelas. Kulantaran harita téh indung kuring ogé
keur aya di imah nya ku kuring anjeunna ditepangkeun ka Pa Hardja.
Bari ngobrol ka ditu ka dieu tungtungna obrolan indung kuring jeung
anjeuna téh sanaos bari direumbeuy
ku basa Walanda beuki lia beuki
nyarambung kulantaran pa Hardja
jeung indung kuring téh sarua cenah
sami-sami terah ti Manonjaya.
Sabenerna loba kénéh pangalaman sim kuring babarengan jeung
pa Hardja téh tapi kuring sieun
beuki loba waé nyieun kasalah utamina dina ngedalkeunana dina Basa
Sunda. Keur kuring mah pa Hardja
tetep mangrupa hiji figur anu kalintang dipihormatna, picontoeun
sareng pieunteungeun pisan keur
kahirupan urang utamina dina
perkara disiplin waktos, pasini
jangji, ngajénan nu lian, perkawos
anggoan, etiket, silaturahmi jeung
sasama.***
27
29. Festival Tari Kreasi 2013 UPI Bandung
Ngawangun Jiwa Kawirausahaan
B
ulan Oktober taun ieu, perrupa,” kitu Agus netelakeun ka
sisna tanggal 21-23, JuruMangle sumanget naker.
san Pendidikan Seni Tari
Agus ngeceskeun, udagan sejen
Fakultas Pendidikan Bahasa dan
ku digelarna eta kagiatan nyaeta
Seni (FPBS) Universitas Penningkatkeun daya kreativitas
didikan Indonesia (UPI) Bandung
siswa/rumaja dina widang seni tari
baris ngayakeun kagiatan akbar,
(kreasi) nu sumberna idiom-idiom
“Festival Tari Kreasi Katagori Baruseni tradisi saban daerah di Jawa
dak jeung Rumaja Tingkat Jawa
Barat. Ningkatkeun daya kreativiJawa Barat sarta Bazar Prodak Kretas guru seni/pelatih tari, hususna
atif 2013”, di Gedung Kebudayaan
dina implementasi proses belajar
UPI. Jl. Dr. Setiabudhi No.229
mengajar (PBM) seni tari di sakola
Bandung. Ieu kagiatan digelar ramboh formal boh nonformal berbapak gawena Tim Peneliti, Jurusan
sis integratif.
Himpunan Mahasiswa Pendidikan
Saterusna cumpon ayana ruang
Seni Tari FPBS UPI
apresiasi siswa/barudak rumaja
Dr. Frahma Sekarningsih, M.Si,
jeung masarakat nu sehat tur lugKetua Jurusan Pendidikan Seni
ina. Salian ti ti eta deui ayana beTari FPBS Universitas Pendidikan
ungkeutan
sinergitas
jeung
Indonesia (UPI) Bandung neteeksistensi sanggar seni jeung
lakeun, kagiatan festival tari kreasi
kelompok MGMP seni budaya
tingkat barudak jeung rumaja satingkat kota/kabupaten di Jawa
Jawa Barat ieu teh agenda mayeng,
Barat, sarta nu utamana pisan tunu udaganana taya lian nyitak
muwuhmekarna jiwa kawirausakreator-kreator unggul ‘berbasis
haan mahasiswa seni tari FPBS
kawirausahaan’. Salian ti eta para
UPI berbasis wirausaha seni terpembimbing baris ngatik tur ngapadu enggoning ngawujudna
ping mahasiswa-mahasiswana anu
ekonomi kreatif sarta usaha
bisa ngamalirkeun kaparigelanna
mandiri.
Agus Supriyatna, S.Sn., M.Pd.,
”Ngawaluyakeun ajen seni tari kreasi enggoning ngawatur ngabogaan jiwa interprener
Festival ieu diajangkeun keur
ngun jiwa kawirausahaan”
/kawirausahaan. “Tah ku kituna
barudak (PAUD/TK, SD ) jeung rukagiatan ieu ge baris dipatalikeun kumaha san, sakaligus pemberdayaan alumni nge- maja (SMP/SMU/SMK sarta nu sadaracarana nyiptakeun sarta ngawanohkeun unaan lapangan gawe,” pokna. Mangpaat jat). Domisili patandang dumuk di we
tari kreasi sangkan dipikawanoh jeung eta kagiatan, ceuk Agus deui, salian ti wengkon Jawa Barat. Pamilom festival,
dipicinta ku sakumna masarakat,” pokna. ngawangun karakter barudak didik, oge dina wangun kelompok nu jumlahna 3
Frahma negeskeun deui, mangpaat tina keur nambahan pangaweruh jeung pa- nepi ka 5 urang. Saban sakola atawa Sangeta kagiatan nu leuwih utamana, nyaeta ngalaman keur guru atawa dosen, oge anu gar bisa ngirimkeun patandangna leuwih
ngawangun ahlak tur karakter ngaliwatan leuwih penting ngawujudkeun kreator- ti hiji kelompok.
widang atikan boh formal boh nonformal. kreator unggulan, nu baris nyiptakeun
Patandang anu kabiruyungan pinunjul
Kaasup dijerona, atikan widang seni tari kreasi-kreasi anyar tongtonan tur tungtu- 1, 2 jeung 3, katagori barudak baris dileler
nan balarea.
hususna.
Tropy, Sertifikat, duit kadeudeuh sarta
Ku digelarna ieu kagiatan dipiharep Produk Sponsor). Patandang pinunjul 1, 2
Tumali jeung eta kagiatan, Ketua
panata calagara Festival Tari Kreasi 2013 , baris ngawujud kreator-kreator unggulan, jeung 3, katagori rumaja baris narima
Agus Supriyatna, S.Sn., M.Pd., netelakeun nu ngabogaan daya kreasi luhung. Jadi rea panghargaan wangun (Tropy, Sertifikat,
digelarna eta kagiatan jadi ‘brand’ (prodak mangpaat nu baris dipetik tina eta ka- duit kadeudeuh jeung Produk Sponsor.
jurusan nu dipiharep bisa jadi ‘ajang giatan tur jadi angen-angen keur ieu lem- Salian ti eta keur patandang nu kabiruyurekrutmen’ calon-calon mahasiswa ka eta baga. Jeung mudah-mudahan ieu kagatan ngan jadi Penampil Favorit, katagori barujurusan. “Beh dituna, para lulusan geus jadi kalender taunan lembaga. “Ieu ka- dak jeung rumaja baris narima pang
sayaga nataharkeun dirina jadi enter- giatan teh salian ti midangkeun prodak hargaan wangun Sertifikat, duit kadeu
prener, wirausaha mandiri. Salain ti eta ieu kreatif multi guna, i eta oge minangka deuh jeung prodak sponsor.***
kagiatan ge mangrupa ajang promosi juru- media pembelajaran seni tari, musik jeung
(nay)
28
Manglé 2446
30. DI KIWARI MACA BIHARI
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Bilatung Ninggang Dagé
M
ULANG ngamoderatoran ti
Lémbang, Rebo (2/10) peuting,
samobil téh jeung Kang Tjétjé
(Hidayat Padmadinata, THP), anu tas
méré ceramah. Lebah jalan Setiabudi, tengah peuting, HP Kang Tjétjé disada. Aya
nu nelpon hariweusweus, nyaritakeun
Ketua Mahkamah Konstitusi, Akil
Mochtar, kacerek deleg ku KPK narima
“suap” di imahna, komplek menteri, Jl.
Widya Chandra III no. 7. Tayohna, Emma
nu nelepon kang Tjétjé téa, keur ngabandungan “berita malam” di salah sahiji stasiun tv. Kuring mah ngadéngé béja kitu téh
teu wudu reuwas. Tapi Kang Tjétjé mah éstuning teu reuwas teu sing. “Akil Mochtar
tertangkap tangan KPK keur akang mah
lain berita, Ém. Akang apal saha Akil, da
kungsi sakomisi keur jaman di DPR-RI.”
Ukur kitu réaksi Kang Tjétjé.
Mireungeuh réaksi Kang Tjétjé nu ngan
ukur kitu téa, katurug-turug aya kecap
“keur akang mah lain berita” bet panasaran naon sababna. Horéng kitu geuning
dongéng ti Kang Tjétjé mah perkara Akil
Muchtar téh. Geus aya cupat ti béh dituna
kénéh, ti saméméh jeneng jadi Ketua
Mahkamah Konstitusi (MK) ari kana basilat mah. Kari-kari ayeuna jeneng, piraku
teu makmak-mekmek. Teu mustahil,
kalakuan basilatna téh ti mangsa manéhna
ukur jadi hakim di MK. Tayohna mah
ngincer-ngincer wé hayang jeneng jadi
Ketua MK téh. Lain ku lantaran ngabogaan
program hadé atawa hayang nanjeurkeun
hukum. Tangtuna gé malar leuwih laluasa
ngaduitkeun kalungguhanana, utamana
tina “sengkéta pilkada”. Merenah pisan
upama paribasa bilatung ninggang dagé
téh dikeunakeun ka Akil Mochtar.
Ku lantaran ditetepkeun dina undangundangna yén putusan MK, kaasup putusan ngeunaan “sengkéta pilkada”, téh
“final dan mengikat” piraku teuing teu
matak sarieuneun nu kabeneran kalibet
“sengkéta” téa. Sieun perkarana diéléhkeun ku MK. Mangkaning apan aub kana
Manglé 2446
pilkada téh aragadna lain lumayan. Piraku
duit mangmilyar-milyar nu geus dibéakkeun dina kampanyeu téh kudu leungit
kitu baé ukur ku salambar putusan ti MK.
Atuh basa aya nu nawaran majar MK bisa
ngatur putusan asal daék nyogok, piraku
teuing teu diheueuhan.
Tétéla MK bisa disogok téh lain ngan
saukur rumor wungkul. Tina kacerek
delegna Akil Muchtar gé geus teu bisa
dipungkir deui yén tétéla enya, MK téh lain
lembaga hukum nu teu beuki duit. Ti
“sengkéta pilkada” Kabupatén Lebak
wungkul, geus karuhan Juragan Akil
Mochtar téh bakal nyakuan duit paling
copél samilyar upama teu kaburur kacerek
deleg mah. Can tina ”sengkéta pilkada” di
Kabupatén Gunung Mas, Kalimantan
Timur, anu rarancangna mah baris setor
ka Akil Mochtar téh teu kurang ti tilu milyarna. Jumlah anu geus pasti moal kahontal ku jalma-jalma nu pakasabanana
saukur samodél urang mah.
Piraku teu ngarti éta juragan Akil, yén
MK téh sasat mangrupa bénténg pamungkas enggoning nanjeurkeun kaadilan
jeung bebeneran. Piraku teu ngarti, yén
wibawa MK téh kudu dijaga, malar
sakumna rahayat percaya. Piraku teu
ngarti, yén sugri nu dijenengkeun di MK
téh ulah sok culamétan, kabita ku
paméréan, komo daék punta-pénta mah.
Ana geus kieu, ana geus katohyan yén
Ketua MK,Akil Mochtar, (nu ayeuna geus
henteu diaktipkeun deui), bénténg
kaadlian téh runtuh. Demokrasi, burakrakan. Apan cék dina téorina gé
démokrasi téh diwangun ku tilu pilar. Nu
kaopat cenah mah média massa. Ari anu
tilu pilar téa, anu disebutna “Trias Politica”
téa, diwangun ku éksékutif, legislatif, jeung
yudikatif, atawa pamarentah, lembaga
parlemén jeung lembaga hukum. Tiluanana ngabogaan pancén silih talingakeun.
Horéng démokrasi di urang téh henteu
nganut sistim “Trias Politica”, tapi cék
Kompas mah “Trias Korupsia”. Lembaga
adeg-adeg demokrasi téh tiluanana geus
mangrupa lembaga korup. Da bongan réa
pisan oknum-oknumna di éta tilu lembaga
téa ngadon karorupsi. Di éksékutif réa nu
korupsi, Di legislatif réa nu korupsi. Di
yudikatif, saméméhna mah iwal ti MK, réa
nu korupsi. Ari ayeuna, sabada MK diluluguan ku Akil Mochtar, tétéla éta lembaga
téh geus katerapan panyakit korupsi, cara
nu kaalaman ku dua pilar démokrasi
lianna. Tur cilakana téh nu katohyan korup
téh di MK mah gegedugna pisan. Tug
padahal MK téh bénténg pamungkas enggoning nanjeurkeun hukum jeung kaadilan.
Salila ieu réa pihak-pihak nu mibutuh
kaadilan anu mercayakeun ka MK. Naon
nu diputuskeun ku MK dipercaya mangrupa putusan nu pangadil-adilna. Ku lantaran kitu MK dipercaya pikeun ngaréng
sékeun pacogrégan pilkada. Calon nu teu
narima éléh ku lantaran ngarasa dilicikan
ku nu meunang kaci ngadu ka MK. Naon
nu diputuskeun ku MK wajib ditarima ku
pihak-pihak nu keur pagétréng lantaran
putusan MK mangrupa putusan anu
sipatna “final dan mengikat” téa.
Ayeuna kabuktian yén MK téh horéng
bisa diajak maén mata. Putusanana gumantung kana gedé leutikna duit. Anu
gedé paméréna geus tangtu baris meunangna. Geus katohyan kitu mah MK téh
jadi leungiteun kapercayaan.
Réa nu meredih malar Akil Mochtar nu
katohyan narima suap ditibanan hukuman
mati. Alesanana mah ku lantaran Akil
Mochtar gus ngancurkeun pilar demokrasi
pangahirna dina widang hukum.
Jeung ongkoh apan kungsi Akil Mochtar
mah jiga nu heueuh ceuceub ka koruptor.
Da apan pokna gé koruptor téh kudu
dimiskinkeun jeung kudu diteukteuk ramona. Ayeuna katohyan pisan yén nu korupsi téh manéhna sorangan.
Daékkeun kitu, éta bilatung ninggang
dagé téh lamun diteukteuk ramona?
***
29
31. Mayit
Luhureun
Kuburan
Ku MamanRachman
B
udak teh gawe
ukur ngalungsar.
Dahar dihuapan,
hudang dihudangkeun, estu
teu bisa nanaon pisan. Geus
puguh nyarita mah ngan ukur
bisa ah eh. Hirup diurus ku
Nini jeung Aki, anu kacida
pisan nyaahna. Kawantu incu
ngan hiji-hijina oge ti anak nu
ngan hiji-hijina.
Indungna mah duka kamana,indit teu puguh leosna.
Ninggalkeun wiwirang keur
nu jadi indung jeung bapa.
Manehna korban lalaki biadab, nu ngagadabah kahormatan dirina salaku awewe.
Kajadian kitu jadi meunggaskeun sakabeh harepan
hirupna. Nu biasa getol ngaji
ka masjid, ka jinisna jadi pada
ijid. Babaturanana ngajarauhan. Mun pareng amprok,
panonna siga nu sing pundelik, bari haharewosan. Geus
pasti pada ngaro mongkeun
dirina. Ahima manehna
kaluar ti imah, lunta nuturkeun indung suku sakaparan- paran. Indit duka
kamana, neangan dulur da
teu boga dulur. Neangan
baraya da puguh teu boga
baraya, tungtungna kaluntalunta.
Lain teu usaha manehna
miceun wiwirang.Sababaraha
kali,utun inji rek digugurkeun
dina waktu masih keneh dina
jero beuteung. Diubar kampung mah diubar kampung,
diurut mah diurut malah nepi
ka dipencetna sagala rupa
Manglé 2446