1. 1
KATA panganteur
Sampurasun ..
Puji syukur anu nulis panjatkeun ka hadirat Allah S.W.T. yen nu nulis
tos ngaberes keun ieu pancen pangajaran Basa Sunda kalayan ngeunaan
‘pembukuan’ Sisindiran.
Dina nyusun pancen ieu, henteu sakedik tahanan anu nu nulis
sanghareupan tapi nu nulis nyadar yen kalancaran dina nyusun pancen ieu
henteu sejen berkat bantuan, dorongan sarta bimbingan ti sepuh, ku kituna
halang – halang anu nulis sanghareupan katungkulan. Ku alatan eta nu nulis
ngedalkeun hatur nuhun ka :
Bapak Guru widang studi Basa Sunda anu tos masihan pancen, patunjuk,
ku kituna nu nulis kamotivasi sarta ngaabereskeun pancen ieu.
Sepuh anu geus turut mantuan, ngabimbing sarta nungkulan sagala rupa
kasulitan ku kituna tugas biantara ieu rengse.
Sarta rerencangan kelas X IPA 4 anu tos kompak yen ngerjaken ieu
pancen Sisindiran.
Mugi-mugi materi ieu tiasa masihan mangpaat sarta jadi sumbangan
pamikiran pikeun pihak anu merlukeun, hususna pikeun nu nulis ku kituna tujuan
anu diharepkeun bisa kahontal, Amin.
Hapunten bilihaya kalepatan dina panulisan, nu nulis nyadar yen pancen
ieu teh masih langkung tina kata sempurna.
Hatur nuhun..
Sumedang, 3 April 2014
Nu Nyusun
6. 6
Rarakitan
Piwuruk
Lamun meuli oleh- oleh
Kudu meuli di si Yana
Lamun hayang solehah
Kudu rajin ibadahna
Asmara
Hayang namah ka imahna
Anu deuket ka kebon teh
Hayang namah ka manehna
Anu jago futsal na teh
Banyol
Ti jauh mah aya si asep
Puguh mah eta si bueuk
Ti jauh mah meni kasep
Puguh mah meni bucitreuk
Paparikan
Piwuruk
Beurang – beurang meni cenghar
Tuluy indit ka si Nina
Lamun hayang jadi beunghar
Kudu getol usahana
Asmara
Si Nana keur jeung si Anggih
Geus lari nyareri tuur
Sanajan jarang papagih
Hate mah moal ka batur
Banyol
Aya masjid meni kokoh
Digigirna loba tutut
Dasar budak meni atoh
Pira make sendal butut
Wawangsalan
1. Di eusianana ku cai
Tuluy di tiupna ku balon
Wangsalna = balong
2. Hirupna teh dinu taneh
Gawena teu daek cicing
Wangsalna = cacing
3. Bisana ngan ditincakkan
Ngaranna teh si Endal
Wangsalna = seundal
7. 7
SISINDIRAN
Kenging : Aghnia Ilma
Paparikan
Banyol
Di masjid keur nakol kohkol
Dicarek ku uwa haji
Dasar bu atah adol
Dahar lima ngaku hiji
Piwuruk
Sapuluh dibagi lima
Sesa dua ku si ela
Mun hayang jadi jelema
Kuduna getol sakola
Silih Asih
Hayang buku jeung pulpenna
Melina ka toko buku
Hayang dekeut jeung manehna
Hanjakal kabogoh batur
Rarakitan
Banyol
Nyi emeh teh dagang petis
Hanjakal sok di tahuan
Nyi emeh geus jadi artis
Hanjakal osok lehoan
Piwuruk
Jalma ulah sok doraka
Geus pasti asup naraka
Jalma hade ka sasama
Geus pasti loba sobatna
Silih Asih
Mun rambutan geus marurag
Buru cokot hiji – hiji
Mun salah kuring hampura
Buru keun silaturahmi
Wawangsalan
1. Sok dipake ku wanoja
Abah balik mawa kadal
Wangsalna = Sendal
2. Alat ngomong jarak jauh
Kuring jajan goring tempe
Wangsalna = hape
3. Sok di bawa ka sakola
Nu make ngarana entong
Wangsalna = kantong
8. 8
SISINDIRAN
Kenging : Anastasia Mutia W
Rarakitan
Piwuruk
Tong meulian wae anting
Bisi disangka awewe
Tong kaluar wae peuting
Bisi aya kalong wewe
Asmara
Hayangna numpak kareta
Kanu mobil aya bata
Hayang so teh ka si eta
Kanu sejen henteu cinta
Banyol
Majar maneh meuli busa
Sihoreng teh meuli kaca
Majar maneh gadis desa
Sihoreng teh tukang beca
Paparikan
Piwuruk
Mending tong di engke-engke
Bisi engke jadi poho
Guna pisan jaga engke
Lamun urang serba nyaho
Asmara
Ka sakola jeung si awe
Karek datang dibubarkeun
Nyeri hate ku awewe
Tadi isuk diputuskeun
Banyol
Tadi mah ti imah aki
Maksudna rek mawa panci
Ngakuna jiga lalaki
Sihoreng teh gening banci
Wawangsalan
1. Teu puguh leueurna
Teu puguh buntutna
Wangsalna = belut
2. Abdi leutik jiga korong
Mun ditingali batur pasti dipikageleuh
Wangsalna = cileuh
3. Jukut jangkung
Mun kabeset peurih
Wangsalna = eurih
9. 9
SISINDIRAN
Kenging : Anna Andriani
Rarakitan
Piwuruk
Lamun dayang dahar noga
Kudu daek nya melina
Lamun hayang asup sorga
Kudu getol nya solatna
Silih Asih
Hayang teuing buah hiris
Teu bisa ngasakannana
Hayang teuing kanu geulis
Teu bisa ngakalan nana
Banyol
Itu saha nungtum munding
Tambangna awut-awutan
Itu saha nu rek ngising
Lempangna abrut-abrutan
Paparikan
Piwuruk
Aya lumut dina batu
Aya kuya di muara
Sing emut kanu waktu
Di dunya urang ngumbara
Silih Asih
Samping batik juru tujuh
Carecet juru salawe
Lamun nampik masing puguh
Ulah matak nyeri hate
Banyol
Boboko ayakan leutik
Siki cabe di awur keun
Bobogohan ti leuleutik
Geus gede di kabatur keun
Wawangsalan
1. Jukut jangkung pipir gunung
Nyeredet hate asa peurih
Wangsalna = eurih
2. Sangu ketan di gulaan
Di dahar ku si jarjit
Wangsalna = wajit
3. Kain panjang paragi ngais
Aki-aki huntuna ompong
Wangsalna = karembong
10. 10
SISINDIRAN
Kenging : Bagus Tulus Ahadi
Rarakitan
Piwuruk
Kamana jalan ka toga
Kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka sorga
Kaditu ka pangaosan
Banyol
Aya budak mawa petasan
Ngan hanjakal teu di beuli
Aya budak geulis pisan
Ngan hanjakal tara mandi
Asmara
Batur mah ka marga cinta
Kuring mah ka nagrak bae
Batur mah dipikacinta
Kuring mah ditolak bae
Paparikan
Piwuruk
Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare
Banyol
Cikaracak ninggang batu
Lila lila jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
Laun launnya di lebok
Asmara
Malati kembang malati
Dipelakan dina batu
Upami hoyong ka abdi
Dongkap wae ka my ambu
Wawangsalan
1. Bulu panon wates taar
Itu nyai meuni geulis
Wangsalna = Halis
2. Bibika tipung tarigu
Ku engkang tacan kaharti
Wangsalna = Roti
3. Kokotor saluar awak
Da sanes rek hiri dengki
Wangsalna = Daki
11. 11
SISINDIRAN
Kenging : Berliana Angelina
Paparikan
Piwuruk
Meuli cabe ka mang mamat
Balikna nyimpang ka ema
Urang kudu getol shalat
Shalat wajib anu lima
Asmara /silih asih
Jalan-jalan ka astana
Di jalan aya si nana
Lamun bogoh ka anjeunna
Kudu bageur ka adina
Banyol
Ngajak ulin ka si asep
Ulin di imah si lina
Aya budak anu kasep
Hanjakal gede korongna
Rarakitan
Piwuruk
Lamun urang meuli printer
Kudu getol dipakena
Lamun urang haying pinter
Kudu getol diajarna
Asmara / silih asih
Lamun aya gunung geulis
Urang hayang ka luhurna
Lamun aya anu geulis
Urang hayang ka anjeunna
Banyol
Aya budak keur di cadas
Katempona ku mang eeng
Aya budak meuni bodas
Katempona dina seeng
Wawangsalan
1. Ngahiliwir bau pedut
Disadana tut-tutan
Wangsalna = hitut
2. Artis sunda buuk beureum
Nu resep dahar jeung gule
Wangsalna = sule
3. Bumi eundeur ngageumpeurkeun
Si lina gogorowokan
Wangsalna = lini
12. 12
SISINDIRAN
Kenging : Cecep Taryana
Rarakitan
Piwuruk
Lamun urang meli uyah
Ulah poho meli cikur
Lamun urang hayang bungah
Ulah poho rasa syukur
Silih Asih
Lamun urang rek di culik
Ulah poho mawa peso
Lamun urang geode milik
Ulah poho ka pun bojo
Banyol
Ulah waka meli linggis
Mun can jadi meli ering
Ulah waka ngaku geulis
Mun can jadi kabogoh kuring
Paparikan
Piwuruk
Sok hayang ka cimalaka
Inditna numpak pedati
Pati,bagja jeung cilaka
Etamah urusan gusti
Silih Asih
Lamun hayang cau nangka
Ulin weh ka buah dua
Sapanjang anjeun satia
Akang moal rek midua
Banyol
Ka ci amis meuli gula
Ka cikeusik meuli galendo
Raray anjeun ciga gorilla
Eta ge ceuk anu gelo
Wawangsalan
1. Indungna di peuncetan
Budakna di tincakan jeje
Wangsalna = TARAJE
2. Mun salah sok di teangan
Rupana jiga kubus
Wangsalna = PANGHAPUS
3. Sok di pake ku awewe
Paragi niungan sirah
Wangsalna = TIUNG
13. 13
SISINDIRAN
Kenging : Chaidir Ilham El Malik
Paparikan
Piwuruk
Ulah sok ngalaan huni
Bisi beunang kunu bogana
Kade ulah wani-wani
Ka kolot matak doraka
Silih asih
Neangan wadah nu teu bolong
Ngan diteangan laleungitan
Hatemah teu bisa bohong
Mun didinya bogoh pisan
Banyol
Kapasar jeungen si Euceu
Balanjaan meunang maling
Bau naon ari ieu
Bau hitut nu siliaing
Rarakitan
Piwuruk
Mun aya buah nu seger
Tong sok di leuet ku nyalira
Mun urang hayang pinter
Tong poho kadiajarna
Silih Asih
Hayang teuing dahar emi
Ngan goreng kanu peujitna
Hayang teuig ka si Nyai
Ngan ulahen ku kolotna
Banyol
Rumasa mun loba kutu
Tong di siaran deui kubatur
Rumasa mun loba incu
Tong beugér deui kabatur
Wawangsalan
1. Teu meunang di henteu-heunte
Teu meunang di elat-elat
Wangsalna = Solat
2. Teu beunang di cempal tenjo
Di heunte heunteu ge matak bungah
Wangsalna = Kanyaah
3. Di kumahakeun ge rujit
Komo deuih mun beunang kecret
Wangsalna = Mencret
14. 14
SISINDIRAN
Kenging : Christine L
Paparikan
Piwuruk
Meuli hayam ka buruan
Balikna mah meuli nangka
Lamun urang sok ngalawan
Pasti asup ka naraka
Silih Asih
Si aa jiga nu bageur
Padahal pikaseubeuleun
Tangtu urang kudu bageur
Ameh loba anu hayangeun
Banyol
Saha eta anu keur nulis
Ceuk si emen mah si cici
Katempona meuni geulis
Padahal mah eta banci
Rarakitan
Piwuruk
Lamun urang ka cipadung
Moal poho meuli meri
Lamun urang nyaah indung
Moal mungkin di nyenyeri
Silih Asih
Tong ngadahar sangu padang
Da sangu timbel kuduna
Tong asa asa ka akang
Da akang nage satia
Banyol
Geus mah numpang jaba lila
Ngadon ceurik aambeukan
Geus mah dangdan lila-lila
Gadon labuh ka solokan
Wawangsalan
1. Tipeuting hari teu nyata
Lamun ka luar kudu ati-ati
Wangsalna = Kunti
2. Bisa di seupan dina langseng
Warnana bodas
Wangsalna = Beas
3. Mun di ambeu ti jauh haseum
Mun ti deuket matak irung pengek
Wangsalna = kelek
15. 15
SISINDIRAN
Kenging : Cinta Paramita N
Rarakitan
Piwuruk
Kudununa mah ngala kalapa
Ameh sebeh ngadahar nangka
Kudu nyaah indung bapa
Ameh henteu asup naraka
Silih Asih
Aya baju meni resep
hanyakal di beli batur
aya jalma anu diresep
hanyakal geus jeung batur
Banyol
kahayang kaakajana
tapi jalana teh butut
kahayang mah kanu lenjang
tapina teh jeung nu gendut
Paparikan
Piwuruk
kalayang d gunung uhud
dibawana ku mobil kempes
diajar mah kudu suhud
ameh jaga jadi sukses
Asmara
kalayang kacimanggis
jelemana balolotot
hayangna mah jeung nu geulis
nyatana menang nu petot
Banyol
rincikrincang – rincikrincang
melak karendong beak ku careh
sidik pisan sidik pisan
aya beuteungna bareuh
Wawangsalan
1. teu benang di hurang sawah
teu beunang di pika meumeut
wangsalna = simeut
2. belut sisit sababadarat
kapi raray siang wengi
wangsalna = oray
3. teu benang di bilatung dulang
teu benang di bebenjokeun
wangsalna = kejo
16. 16
SISINDIRAN
Kenging : Dadan Nurfalah F
Rarakitan
Piwuruk
Ulah ngomong bari nyolot
Bisi nyerieun hatena
Ulah sok ngalawan kolot
Bisi aya babalesna
Silih Asih
Asa embung kamamana
Kusabab cai keur ngucur
Asa embung kamanehna
Kusabab kabogoh batur
Banyol
Ngakuna mah bog ciki
Sihoreng teh da koaci
Ngakuna bener lalaki
Sihoreng the da banci
Paparikan
Piwuruk
Meuli hayam jeung pa wawan
Kadituna naek munding
Omat ieu jeung parawan
Ulah sok kaluar peuting
Silih Asih
Ka cimanuk meuli sate
Sakalian meuli dukuh
Saha nu teu nyeri hate
Lamun kabogoh salingkuh
Banyol
Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Itu cak-cak nyeri huntu
Kusabab teu make kedok
Wawangsalan
1. Teu bisa ditenjo mata
Kadang aya nu riwig
Wangsalna = jurig
2. Dijieunna tina aduk
dipake nyekat walungan
wangsalna = waduk (bendungan)
3. Teu bias ditempo mata
Ngaburutbut disadana
Wangsalna = hitut
17. 17
SISINDIRAN
Kenging : Farhan Nurul Arief
Rarakitan
Piwuruk
Sing saha jalma nu lieur
Pasti meuli obat manjur
Sing saha jalma nu bageur
Pasti teh nyaah ka batur
Banyol
Hayang soteh ka jakarta
Ngan hanjakal dompet kosong
Hayangna mah loba harta
Ngan hanjakal otak kosong
Asmara
Mun aya si ferdinan
Pasti aya si rohmatan
Mun aya mah di restuan
Pasti tos di pelaminan
Paparikan
Piwuruk
Ka garut rek meuli ember
Neangna tepi ka parat
Sing jadi jelema bener
Meh guna dunya aherat
Banyol
Aya budak ngaran asep
Awakna begang penyet
Ngakunamah cenah kasep
Padahal mah siga monyet
Asmara
Aya haji ngaran koko
Imahna teh di paniis
Teu paduli ka resiko
Asal kenging eneng geulis
Wawangsalan
1. Biasana make kolor bodas
Leutik keneh geus ‘’macul’’(madog) duit
Wangsalna = tuyul
2. Wadah cai tina kalapa
Mun di takol ngabeletok
Wangsalna = batok
3. Awakna jiga gitar spanyol
Mun leumpang ngagebol
Wangsalna = awewe bahenol
18. 18
SISINDIRAN
Kenging : Fuzi Febria
Paparikan
Piwuruk
Hayang teuing rujak wijen
Ngeunah na teu asa asa
Lamun hayang boga ajen
Kudu hade budi basa
Silih Asih
Boboko murag ti guling
Ninggang kana arit pare
Bobogohan jeung nu eling
Keur mah geulis alus hate
Banyol
Basuki suamina oneng
Eukeur ngamaenkeun angklung
Entong make baju koneng
Bisi disangka nungangkleung
Rarakitan
Piwuruk
Lamun hayang ka Palembang
Kudu ngaajakan batur
Lamun hayang di hargaan
Kudu ngahargaan batur
Silih Asih
Kamana si manuk bodas
Teu katempo eunteup eunteup
Kamana si jangkung bodas
Teu katempo deukeut deukeut
Banyol
Jaman kuring keur di medan
Loba nu ngaruksak kulit
Jaman kiwari geus edan
Loba budak ngenyotan duit
Wawangsalan
1. Di buntel jiga pocong
Jero na aya bako
Wangsalna = ROKO
2. Tinu besi ngahiung di langit
Kabeh jelema pasti apal
Wangsalna = KAPAL
3. Jaroged dina bor bodas
Warna cangkangna jiga warna sapi
Wangsalna = SAPIDOL
19. 19
SISINDIRAN
Kenging : Ghina Nurqori Aina
Rarakitan
Piwuruk
Ulah milih hayam kolot
Bisi teu ngeunah rasana
Ulah sok ngalawan kolot
Bisi sangsara engkéna
Silih Asih
Unggal aya maling datang
Dag diudag ku Pa Haji
Unggal poé mun patepang
Dag dig dug rasaning ati
Banyol
Boga rambutan nu amis
Hanjakal gedé sikina
Boga kabogoh nu geulis
Hanjakal kasép baheulana
Paparikan
Piwuruk
Aya budak meni wanter
Jurig gé sieuneun keuna
Lamun hayang jadi pinter
Kudu getol ti ayeuna
Silih Asih
Melak buah ti tangkalna
Dijualna hiji-hiji
Najan jauh katingalna
Haté mah tetep ngahiji
Banyol
Jalan-jalan ka Paniisan
Di sawah loba tututna
Aya istri geulis pisan
Hanjakal bau hitutna
Wawangsalan
1. Dipake dina hulu,
Ciri jalma soméah
Wangsalna = Kopé
2. Tempat urang nyiar élmu,
Bisa dipaké maén bola
Wangsalna = Sakola
3. Dipaké jang mungkus suku,
Méh teu kabadug ku batu
Wangsalna = Sapatu
20. 20
SISINDIRAN
Kenging : Hanna Nolia
PAPARIKAN
Piwuruk
Aya ucing keur ngagoler
Tah ucing na nu si fajar
Tipada urang gogoler
Mending sing getol diajar
Silih Asih
Eta papan geus ngagebros
Diluncatan ku si apih
Hate sarasa di tojos
Diputuskeun ku kabogoh
Banyol
Aya budak tisoledat
Bari dahar tahu aci
Lamun kedul ulah ngadat
Mending ngadahar kuaci
RARAKITAN
Piwuruk
Abong-abong loba dahar
Encan tangtu gede raga
Abong-abong anjeun beunghar
Encan tangtu asup surga
Silih Asih
Unggal peuting unggal poe
Hate sono ka si eta
Unggal menit unggal poe
Hate angger nu si eta
Banyol
Rarasaan urang bener
Eh pek teh kalah si malik
Rarasaan acuk bener
Eh pek teh acuk tibalik
WAWANGSALAN
1. Hate dag dig dug mun panggih
eh bener aya si cina
wangsalna = cinta
2. Wangunan gede keur neduh
eh si simah kalah labuh
wangsalna = imah
3. Buleud buleud keur di tajong
si cecep keur meuli balon
wangsalna = bal
21. 21
SISINDIRAN
Kenging : Kevin Putra C. S. G.
Rarakitan
Piwuruk
Kudu daek diajar silat
meh bisa ngalawan penjahat
kudu daek diajar solat
Meh bisa ngarasaan akherat
Banyol
Majar maneh tukang nulis
padahal mah teu kaharti
majar maneh awewe geulis
padahal mah kawas kunti
Silih Asih
Lamun urang sok ka pasar
moal hese meuli koneng
lamun urang sok usaha
moal hese meunang eneng
Paparika
Piwuruk
Ka sakola arek silat
ngaliwat ka cimalaka
lamun urang rajin solat
pasti jauh ti cilaka
Banyol
Di sakola jago nulis
Di imah jago ngagoreng
Rarasaan jankung geulis
puguhna mah pendek goring
Silih Asih
Jeung si fatur maen catur
nu eleh beungeutna koneng
hanjakal tos gaduh batur
aa teh bogoh ka eneng
Wawangsalan
1. lamun euweuh diteangan
mun meunang kudu di irit
wangsalna = Duit
2. Unggal poe kapikiran
Sok ditatanyakeun ongkoh
Wangsalna = Kabogoh
3. Awak leutik beuki nyumput
Lamun lumpat sok ngaleungit
Wangsalna = Beurit
22. 22
SISINDIRAN
Kenging : Maulidina K. H
Paparikan
Banyol
Ngarariung sobat dalit
Maranehna nyanyi dangdut
Rarasaan jangkung alit
Puguh mah pendek jeung gendut
Piwuruk
Ka pasar meuli kalapa
Nepi ka imah dibeulah
Mun nyaah ka indung bapa
Dirahmat ku Gusti Allah
Silih Asih
Nyieun baju tina benang
Kertas bodas di garisan
Satungtung teu acan beunang
Teu eureun di smsan
Rarakitan
Silih Asih
Hayang teuing ka Kang Asep
Ari pek kalah ka dapur
Hayang teui kana kasep
Ari pek boga nu batur
Piwuruk
Lamun urang hayang binter
Kudu nabung masing rajin
Lamun urang hayang pinter
Kudu diajar sing rajin
Banyol
Hayang teuing imah hegar
Gawe ngan teu dipalire
Hayang teuing jadi beunghar
Gawe ngan ulin jeung sare
Wawangsalan
1. Dipakena dina suku
Ditutur-tutur ku kutu
Wangsalna = Sapatu
2. Kadaharan sapopoe
Tangkalna teh warna hejo
Wangsalna = Kejo
3. Hirup di tengah laut
Meuntaskeun jalma ka Nepal
Wangsalna = Kapal
23. 23
SISINDIRAN
Kenging : Mia Farida
Paparikan
Piwuruk
Jalan ka imah kuduna
Lain jalan ka malayu
Jalma nu loba elmuna
Hirupna bakal rahayu
Banyol
Inditna mah baju batik
Balikna mah baju biru
Rarasaan jangkung leutik
Padahal mah awak nambru
Asmara / Silih Asih
Alulin teh jeung anjeuna
Naha bae bet nempokeun
Abdi nineung ka anjeuna
Naha anjeun bet ninggalkeun
Rarakitan
Piwuruk
Kudu getol sajalana
Lamun hayang ku kaduga
Kudu getol ibadahna
Lamun hayang asup surga
Banyol
Ngakuna mah melak cengkeh
Teu nyaho mawa tampolong
Ngakuna mah ngora keneh
Teu nyaho huntuna ompong
Asmara / Silih Asih
Lamun anjeun ka imahna
Abdi moal ngajak catur
Lamun anjeun rek satia
Abdi moal kanu batu
Wawangsalan
1. Teu meunang di hurang – hurang sawah
Teu bisa di pikameumeut
Wangsalna = Simeut
2.Teu beunang ditihang – tihang pondok
Teu beunang di deungdeuleu keun
Wangsalna = Deudeul
3.Imah panjang ngojor jalan
Teu beunang di kolongan
Wangsalna = Balandongan
24. 24
SISINDIRAN
Kenging : Nanda Indira Putri
Paparikan
Banyol
Jelema ngaranna Asep
Kabogohna teh si Lina
Si Udin teh meni kasep
Hanjakal bonge ceulina
Piwuruk
Ulah nginum tina kendi
Sabab eta henteu sae
Urang kudu mineng mandi
Ameh awak seungit wae
Asmara
Nungguan cai ngadidih
Bari jeung neangan kupon
Tono keur ngahuleung sedih
Nungguan neng Tati nelpon
Rarakitan
Piwuruk
Urang kudu nginum jamu
Ngarah awak jadi seger
Urang kudu nuntut elmu
Ngarah urang jadi pinter
Asmara
Abong keneh abdi bonteng
Jadi maneh ngadaharna
Abong keneh abdi goreng
Jadi maneh sangeunahna
Banyol
Rarasaan mah neng Elis
Teu nyaho mah neng Arok
Rarasaan mah ni geulis
Teu nyaho mah aya borok
Wawangsalan
1. Peuteuy leubeut panjang gagang
kadiri saha nu watir
Wangsalna = Petir
2. Hayam sawah dipiara
Abong ka nu apes diri
Wangsalna = Meri
3. Simeut jangkung panjang buntut
Entong ka rooh ka abdi
Wangsalna = Papatong
25. 25
SISINDIRAN
Kenging : Neng Agistina
Rarakitan
Piwuruk
Undur undur dina batu
Saeran dina kiteja
Umur mah tacan tangtu
Pangeran teu bebeja
Banyol
Suganteh kukupu muntir
Singhoreng kalah kapipir
Suganteh tungkul teh mikir
Singhoreng ngacai ngadahdir
Silih Asih
Abdi daek numpak gajah
Asal jalan kacibatu
Abdi daek nyebut abah
Asal dipulung minantu
Paparikan
Piwuruk
Saninten buah saninten
Daun cau ditilepan
Hapunten abdi hapunten
Bilih seueur kaleupatan
Banyol
Manuk ciung dina pisitan
Buahna harejo keneh
Lamun dicium ku nu kumisan
Tilu bulan karasa keneh
Silih Asih
Melak cikur teu dioyos
Jadi soten kahujanan
Jadi sukur teu sawios
Tadi soten susuganan
Wawangsalan
1. Simeut jangkung panjang buntut
Entong karayu ku abdi
Wangsalna = Papatong
2. Cikur jangkung jahe koneng
Ari abdi cipanonan
Wangsalna = Amis Panon
3. Nyiruan beugeng cangkengna
Masing mindeng pulang anting
Wangsalna = Papanting
26. 26
SISINDIRAN
Kenging : Nizal Sutiawan
Paparikan
Piwuruk
Meuncit hayam nu bi tati
Meuncitna ku mang marti
Mun hayang jadi bupati
Urang kudu boga pangarti
Silih Asih
Lamun ulin ka kebon batur
Kudu make minyak lulur
Urang kudu nyaah ka batur
Sangkan urang jadi dulur
Banyol
Lamun maneh boga ucing
Ulah di parab ku kancing
Boga aki teu daek cicing
Ka beukina tai ucing
Rarakitan
Piwuruk
Lamun maneh kukuluyuran
Tangtu maneh di jalanan
Lamun maneh maca qur’an
Tangtu maneh aya jalan
Silih Asih
Kudu daek maen catur
Kawas budak di lembur sulur
Kudu daek mere batur
Kawas urang mere dulur
Banyol
Lamun maneh ulin wae
Maneh kudu maca heula
Lamun maneh resep awewe
Maneh kudu ngaca heula
Wawangsalan
1. Teu puguh monyet hideung na
Teu puguh tungtungna
Wangsalna = lutung
2. Tepi ka kelor hejona
Tepi ka antukna
Wangsalna = katuk
3. Teu beunang disupa dulang
Teu beunang di bebenjo keun
Wangsalna = kejo
27. 27
SISINDIRAN
Kenging : Reynaldi Daniel
Rarakitan
Piwuruk
Amun ulin ka si iter
Dudu ulin ka si nana
Lamun hayang jadi pinter
Kudu getol diajarna
Silih Asih
Di dieu mah loba lele
Hanjakal sok matil wae
Di dieumah loba awewe
Hanjakal baraeud wae
Banyol
Suganteh eta teh lilis
Singhoreng eta teh kiki
Suganteh awewe geulis
Singhoreng banci lalaki
Paparikan
Silih Asih
Aya listrik nu di imah
Hargana ni mahal pisan
Aya istri kelas dua
Geulisna kabina-bina
piwuruk
Beurang-beurang sirah teh jangar
tipeuting meuncetanana
Lamun hayang jadi beunghar
Kudu getol usahana
Banyol
Lamun hujan aya guludug
Pasti awi jadi bareulah
Lamun batur bararudug
Urangmah alhamdulillah
Wawangsalan
1. Diluhur kahuruan
dihandap kabanjiran
wawangsalan = kompor minyak
2. Leutikna dibajuan
gedena di bulucunan
wawangsalan = awi
3. Bau ka ambeuna
rupa teu katingali
wawangsalan = hitut
28. 28
SISINDIRAN
Kenging : Rika Yulyanti Dewi
Rarakitan
Piwuruk
Lamun hayang ka ciater
Kudu boga duit loba
Lamun hayang jadi dokter
Kudu boga elmu loba
Silih Asih
Sok loba nu poho maot
Ngan ukur mikirkeun dunya
Sok sing sumpah daek maot
Ngan nyai hiji-hijina
Banyol
Asa amis karasana
Padahal teu make gula
Asa aing panggeulisna
Padahal siga ririwa
Paparikan
Piwuruk
Geus teu kuat hayang dahar
Duh gening euweuh deungeuna
Lamun urang hayang beunghar
Pek usaha jeung ngadoa
Silih Asih
Ka tonggoh ka bale desa
Boga niat menta cai
Enya loba mojang desa
Akang mah keukeuh ka nyai
Banyol
Si Ujang meuli calana
Ari eneng meuli siger
Barudak jaman ayeuna
Huntuna ge make pager
Wawangsalan
1. Dipake paranti muka
Mukana panto jeung laci
Wangsalna = konci
2. Ngiuhan saawak-awak
Layung koneng datang deui
Wangsalna = payung
3. Matak empuk kana awak
Nganteurkeun jalma ka surga
Wangsalna = kasur
29. 29
SISINDIRAN
Kenging : Rinetta Putri M
Paparikan
Banyol
Aya ucing dinu tangkal
Si eneng sok nyorakan
Mun awewe nu sok mangkal
disangka cabe-cabean
Asmara
si emang ngalung batu
beunang n aka si ono
aya si akang diditu
anu osok di pikasono
Piwuruk
jalan jalan ka legok
balikna mawa sate
ulah osok sugak sogok
da matak teu ngeunah hate
Rarakitan
Banyol
aya warung sisi jalan
pa bupati meuli rokok
aya anu korupsi
pa pejabat di tanyaan
Asmara
aduh si ujang maen kaleci
eneng maen papasakan
aduh akang nu diditu
eneng didieu nyaah ka akang
Piwuruk
lamun urang teu daek diajar
masa depan jadi ripuh
lamun urang getol diajar
masa depan tangtu cerah
Wawangsalan
1. Osok di jang pake nulis
Sok di pake ku si upen
Wangsalna = pulpen
2. Osok di pake ngagambar
Aya dinu saku pilot
Wangsalna = patlot
3. Aya sora di sebrangeun
Disakuan ku si pepe
Wangsalna = hape
30. 30
SISINDIRAN
Kenging : Riri Rianti
Paparikan
Silih Asih
Salasih sisi astana
Di pelak ku babaturan
Silih asih jeng sasama
Ngarakeutken babaturan
Piwuruk
Arulin ka kota banjar
Jalana lewat ci ater
Mun urang getol di ajar
Bakal jadi jalma pineter
Banyol
Kini-kini babancetan
Singa ngahereyken kue
Nini-nini kabesekan
Sisigna katerey kabeh
Rarakitan
Silih Asih
Lamun kuring lompat kahar
Rek mawa boeh ka astana
Lamun kuring jadi benghar
Rek mawahmere ka sasama
Banyol
Kamananya nyiar payung
Sakieu panas poena
Kamanya menta tulung
Sakieu panas hatena
Piwuruk
Lamun hurang di cimuja
Kudu di bawa ku jaring
Lamun hayang hirup mulya
Kudu sering nyieun amal
Wawangsalan
1. Tarigu panjang keriting
Anu ayana di bumi
Wangsalna = Sarimi
2. Paranti nutupan buuk
Ulinna teh ka cipadung
Wangsalna = Cindung
3. Dipake tapi di tincak
Meh teu nyeri nincak batu
Wangsalna = Sapatu
31. 31
SISINDIRAN
Kenging : Risa Ayu Anjani
Rarakitan
Banyol
Hayam ricit ti peupeuting
Nu jalu ngadahar cacing
Hayam ricit teu dek cicing
Nu jaluna eukeur ngising
Piwuruk
Hayu batur urang ulin
Rame-rame meuleum peujit
Hayu batur urang ulin
Rame-rame ka masigit
Asmara/Silih Asih
Ningal kuda di Pacuan
Bari orok jejeritan
Ningal Aa jeung nu anyar
Bari hate panasaran
Paparika
Banyol
Aya budak maling cengek
Di buruan Bapa Tani
Aya budak beuki mewek
Ngaran na teh si Anjani
Piwuruk
Aya jalma meuli bubur
Di bumi na Nini Icih
Jadi jalma kudu jujur
Lamun hayang hirup bersih
Asmara/Silih Asih
Jalan-jalan na ka Toga
Papanggih eujeung teh iyen
Aduh Akang meuni tega
Jalan-jalan jeung nu sejen
Wawangsalan
1. Tahu koneng napeul wae
Asa daging nu kamari
Wangsalna = Gading Huntu
2. Awakna kacida leutik
Ngagangguan nu keur peureum
Wangsalna = Sireum
3. Sirah gundul teuteuleuman
Sukuna kacida jangkung
Wangsalna = Gayung
32. 32
SISINDIRAN
Kenging : Sagitha Mahasi
Rarakitan
Banyol
Aya cau meni hideung
Ari pek teh enggeus buruk
Aya jalma meni hideung
Ari teun lakuna buruk
Piwuruk
lamun urang loba dahar
kudu mikir keur isukna
lamun urang hayang benghar
kudu getol usahana
Silih Asih
Lamun henteu dianteran
Pasti moal ka tujuan
Lamun cinta direstuan
Pastina ka pelaminan
Paparikan
Banyol
Barang naon barang naon
Barangna nu Pahaji
Bau naon bau naon
Bau kelekna Pahaji
Piwuruk
Nginum sirop meni seger
Meulina di dayeuh kolot
Kudu diajar sing bener
Ngarah teu ngerakeun kolot
Silih Asih
Aya jalma keur dibalong
Balikna nyabut cikur
Lain nyeri huntu potong
Nempo kabogoh jeung batur
Wawangsalan
1. Nu sok hirup dina sirah
Disarada siga putu
wangsalna = kutu
2. Buleud keur niungan hulu
Nudipake ku nyi ipi
Wangsalna = topi
3. Digandong budak sakola
Nu ngarana teh si otong
Wangsalna = kantong
33. 33
SISINDIRAN
Kenging : Salimah Husna
Rarakitan
Piwuruk
Ulah ngebut siga batur
Bisi engke motor dadas
Ulah sok ngomongkeun batur
Bisi aya cakcak bodas
Banyol
Majar ngaran nateh Komeng
Tapi padahalmah Asep
Majar ceuk baturmah goreng
Tapi da meuni gumasep
Asmara/Silih Asih
Najan si Budi teh labuh
Tapi anteng dahar leupeut
Najan raga nateh jauh
Tapi hate namah deukeut
Paparikan
Piwuruk
Si Ayu keur jeung indungna
Sabari ngadahar korma
Tong sok saomong-omongna
Bisi engke meunang karma
Banyol
Jalan-jalan ka Cianjur
Nincak batu ngajelegur
Hanas urang meuli anggur
Diambuan bau bujur
Asmara/Silih Asih
Mang Ono salaki bi Ina
Imahna di Cipejauh
Abdi sono ka anjeunna
Lantaran anjeunna jauh
Wawangsalan
1. Sok dina daerah beungeut,
Kusabab tara di rawat
Wangsalana = Jarawat
2. Diteang tapi ditindes,
Warna hideung siga batu
Wangsalna = Kutu
3. Gede hideung jeung buluan,
Ti keur leutik ge geus nempel
Wangsalna = Tompel
34. 34
SISINDIRAN
Kenging : Samreddhi M
Rarakitan
Piwuruk
Sapanjang jalan Sumedang
Moal aya anu lemes
Sapanjang hirupan urang
Moal aya anu alus
Banyol
Hayang pisan mawa hinis
Hanjakalna euweh pisan
Hayang pisan ka nu geulis
Hanjakal beungeut pas-passan
Silih Asih
Mun aa mangkat ka toga
Kudu na teh mawa nangka
Mun eneng cinta ka aa
Kudu hirupna jeung aa
Paparikan
Piwuruk
Lamun anjen teh garetol
Pasti maraneh teh pinter
Lamun anjen teh karedul
Pasti maraneh barangor
Silih Asih
Naik motor na dijalan
Inditna ka suramadu
Lamun anjen lila pisan
Pasti na kuring teh rindu
Banyol
Aya budak rek ka pasar
Budak teh meuli na tutut
Hanjakal meuli di pasar
Diambuan bau hitut
Wawangsalan
1. Dipake keur nyimpeun barang
Nyimpenna teh sok dikolong
Wawangsalanna = kantong
2. Mun aya amis sok datang
Tapina bari sok peureum
Wawangsalan = sireum
3. Nyimpenna teh sok di bujur
Remen pisan sok dicopet
Wawangsalan = dompet
35. 35
SISINDIRAN
Kenging : Shainne Safitri
RARAKITAN
Piwuruk
Lamun hoyong mèsér kiwi
Kudu aya duitna heula
Lamun hoyong réngking hiji
Kudu getol diajarna
Silih Asih
Di parkiran aya tangkal
Meuni bungah ningalna gé
Di parkiran aya éta
Meuni kasép jalmina téh
Banyol
Dipasihan meuni bungah
Eh pék téh eusina ganas
Dipasihan ku mang Angah
Eh pék téh keur si Ninas
PAPARIKAN
Piwuruk
Manuk ditéwak di tangkal
Nu néwakna téh mang Jarna
Lamun hoyong gaduh akal
Kudu seeur diajarna
Silih Asih
Sawo naha jadi resep
Ari kamari mah heunteu
Naha abdi jadi resep
Padahal tadina heunteu
Banyol
Mésér awi ka toko Sesar
Nyasar ka toko Aisya
Ari cenah téh tos Asar
Tapi naha azan Isya
WAWANGSALAN
1. Mang Bahar nék dahar euweuh laukna
Terus wéh mésér ka amang Asin
Wangsalna: Asin
2. Si Shainne gaduh Adi
Ngaranna téh ti B
Wangsalna: Bahar
3. Neng Ina nék dahar euweuh tempatna
Da can mésér ka toko Peupeus
Wangsalna: Pisin
36. 36
SISINDIRAN
Kenging : Silvia Istimerianti
Paparikan
Piwuruk
Jalan jalan ka kemangi
Loba nu keur meli nangka
Kudu getol solat ngaji
Lamun hayang asup sorga
Banyol
Aya budak meli aci
Lempang bari dahar ketan
Lamun nempo jalma banci
Kade ulah dikiceupan
Silih asih
Kuring karek meli putu
Pek teh murag dijalanna
Iraha datangna waktu
Keur papanggih jeung anjena
Rarakitan
Piwuruk
Lamun budak naek tangga
Kudu lempangna jeung kolot
Lamun hayang asup sorga
Kudu nurut na ka kolot
Banyol
Aya jalma dijalanan
Ngan hanjakal meni alay
Aya jalma geulis pisan
Ngan hanjakal jiga jablay
Silih Asih
Maneh na teh dahar burger
Kuring mah rek dahar sate
Maneh teh lalaki bager
Kuring kudu mere hate
Wawangsalan
1. Rupana teh siga maung
Kuring sok cicing di jalan
Wangsalna = ucing
2. kuring datang na mun hujan
matak watir kanu kena
Wangsalna = petir
3. jalan kuring nya di cai
sorana ngan tut tut tut tut
Wangsalna = kapal laut
37. 37
SISINDIRAN
Kenging : Siti Riana
Rarakitan
Piwuruk
Kudu mandi teh meh seger
Moal bau ka awakna
Kudu diajar sing bener
Moal kaduhung engkena
Banyol
Awewe ka Cibaduyut
Lempangna teh siga koboy
Awewe teh meni gendut
Lempangna meni ngageboy
Silih Asih
Ceurik wae nya si Uus
Tapi bari dahar dukuh
Ceurik soten lain putus
Tapi kabogoh selingkuh
Paparikan
Piwuruk
Aya aki-aki kolot
Diajar matematika
Tong sok doraka ka kolot
Bisi asup ka naraka
Banyol
Daek soteh kanu geulis
Awewe urang Cianjur
Najan awewe teh geulis
Tapi pendek gede bujur
Silih Asih
Turunan siga indungna
Sok jadi omongan batur
Nyeri hate ngadengena
Manehna kabogoh batur
Wawangsalan
1. Di asaana teh amis
Tapi malakah permanen
Wawangsalan = permen
2. Sok di bawa kasakola
Rupana teh siga lontong
Wawangsalan = kantong
3. Ngabakar diri sorangan
Meulina teh di bu Elin
Wawangsalan = lilin
38. 38
SISINDIRAN
Kenging : Syifa Ayu Wiguna
Rarakitan
Piwuruk
Mun urang ka Cipaganti
Masing mudun Jalan pasar
Mun urang boga pangarti
Masing junun nya diajar
Banyol
Aya bujang meuli casan
Hanjakal euweuh merekan
Aya bujang kasep pisan
Hanjakal euweuh huntuan
Silih Asih
Pejabat keur maen bola
Eukeur awak ameh seger
Pejabat dibuli heula
Eukeur maksud ameh bener
Paparikan
Silih Asih
Euweuh lampu make obor
Ngempur caang meuni nyorot
Katempona hayang sohor
Ulah kade na boborot
Banyol
Aya bangku sisi jalan
Di tengahna aya gaang
Lain ku embung nawaran
Sarua urang ge hayang
Piwuruk
Ngajieun paparahuan
Ngajieunna ku si Fatur
Lamun hayang dihargaan
Cik hargaan heula batur
Wawangsalan
1. Muga kapalupuh nangtung,
Mugi kapimilik diri
Wangsalna = Bilik
2. Dipake meresan rambut,
Aya lauk di basisir
Wangsalna= sisir
3. Empukna paragi kulem,
Kudu maca At-Takasur
Wangsalna = Kasur
39. 39
SISINDIRAN
Kenging : Syifa Sahaliya
Paparikan
Piwuruk
Kamari cai teh saat
Tuluy menta ka Pa Haji
Jadi Jalma Kudu Ta’at
Getol sholat getol ngaji
Banyol
Meuncit meri dina rakit
Ulah make peso batur
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh dibawa batur
Asmara
Si Cecep nuju perang
Musuhna teh si Aladin
Cekap abdi anu terang
Hate abdi ka si Udin
Rarakitan
Piwuruk
Sing pinter tur hade budi
Meh kapake ku manusa
Sing pinter tur hade budi
Meh kapake ku nagara
Banyol
Eta naon nu baruled
Ari pek teh endog cak-cak
Eta naon nu baruleud
Ari pek teh katarincak
Asmara
Dua hate hiji eceng
Keur di pinang salamina
Dua hate hiji eceng
Keur di jagi salamina
Wawangsalan
1. Tutut gunung keong reuma
Semangga geura gek calik
Wangsalna = Tenggek
2. Belut sisit saba darat
Kapiray siang jeung wengi
Wangsalna = Oray
3. Cakcak gede jiga kadal
Ulah dipake cangkangna
Wangsalna = Toke
40. 40
SISINDIRAN
Kenging : Talitha Zhafirah
Paparikan
Piwuruk
Aya cai dina botol
Botolna di sisi bata
Mun di ajar teh sing getol
Meh ka capai cita-cita
Silih Asih
Aya budak numpak gajah
Eureuna dina batu
Lamun hoyong di sebut abah
Pulung abdi jadi minantu
Banyol
Doni ulin jeung si sulis
Ulinna di imah Empong
Eta budak meuni geulis
Hanjakal huntuna ompong
Rarakitan
Piwuruk
Lamun boga huntu ompong
Engke kudu dipariksa
Lamun ngajawab tong bohong
Engke bisi jadi dosa
Silih Asih
Isukan rek ka tanggerang
Geus nepi teh meuli bubur
Isukan kabogoh datang
Geus datang di bawa batur
Banyol
Di dapur aya urab
Meuni loba urabna teh
Di imah aya nu teurab
Meuni tarik sorana teh
Wawangsalan
1. Aya jarum nunjuk angka
Ayana jaman ayeuna
Wangsalna = Jam
2. Dipakena mun keur sare
Mun ditajong pasti mental
Wangsalna = Bantal
3. Bentuk barangna teh kotak
Eta barangna keur ngetop
Wangsalna = Laptop
41. 41
SISINDIRAN
Kenging : Tatan Hidayat
Paparikan
Banyol
Ulah poho mawa peso
Jalan-jalan meuli ban
Ulah waka boga bojo
Lamun teu 41ias maraban
Piwuruk
Si yayang meuli kabaya
Meuli duku jeung saladah
Lamun hayang asup surga
Urang kudu getol ibadah
Asmara
Aya ucing bulu hiris
Meuli rokok dua batang
Sanajan loba anu geulis
Anjeun tetep anu akang
Rarakitan
Asmara
Ulah hayang ka gasibu
Bisi engke jadi latah
Ulah hayang ka ibu-ibu
Bisi engke jadi dititah
Piwuruk
Lamun isuk maju kacaang
Lamun burit maju ka poek
Lamun isuk dina caang
Lamun burit dina poek
Banyol
ulah waka loba ngawadul
lamun duit disakuan keneh
ulah waka ngaku gaul
lamun duit ti kolot keneh
Wawangsalan
1. Budak leutik osok teuleum
Unggal mandi sok dipake
Wangsalna = gayung
2. Cicing na dina lalangit
Osok caang unggal poek
Wangsalna = lampu
3. Oray hejo loba mataan
Sok dipake dengeun sangu
Wangsalna = peuteuy
42. 42
SISINDIRAN
Kenging : Taufiq Nur Ilmi
Paparikan
Banyol
Aya kitri dina sarung
Sarungna disimpen krisna
Aya istri ngange tiung
Hanjakal teu dicalana
Piwuruk
Hirup urang dikuala
Di guha aya bangbara
Hirup urang samentara
Di duniateh gumbara.
Asmara
Aya enta jeng sisinta
Kaduana adi kaka
Ngan eneng anu akang cinta
Nu aya dihate aa
Rarakitan
Piwuruk
Mun hayang loba pahala
Tong poho kanu esa
Mun hayang asup ka sorga
Tong poho ka parentahna
Asmara
Mun rek ulin ka imahna
Tong poho mawa karanjang
Mun eneng arek satia
Tong daek ninggalkeun akang
Banyol
Aya jelema ka subang
Sirah na di handap tarang
Aya jelema boga hutang
Sirahna botak mencrang
Wawangsalan
1. Asin geuyal dipilari
Cicingna di gorong-gorong
Wangsalana = Korong
2. Kadaharan unggal poe
Warna ungu-warna bodas
Wangsalna = Sangu
3. Warna coklat warna kulit
Bengeut na jiga nu kerung
Wangsalna = Irung
43. 43
SISINDIRAN
Kenging : Zaki Abdul Hanif
Paparikan
Asmara
Aya seeng herang warnana
Tos di ical sareng senter
Ari neng uwih ka mana
Wios abdi anu nganter
Banyol
Jalan-jalan ka Ciamis
Ningal jalmi kalah pesmol
Wios patina tungtung keris
Asal kenging Neng nu bahenol
Piwuruk
Jang utun hayang jadi capres
Tinu tutut di pageur luar
Lamun hayang jadi jalma sukses
Elmu tungtut dunya siar
Rarakitan
Piwuruk
Dulang wadah sangu tutung
Aya kaleng dinu areung
Lamun hirup hayang untung
Kudu keuyeung tangtu pareung
Asmara
Kumaha nya nyiar konteh
Ka soreang ka darangdan
Nu mana neng geulis teh
Ieu akang hoyong kenalan
Banyol
Batu naon batu naon
Batu jamrud di juru
Bau naon bau naon
Bau hitut nu cicing di juru
Wawangsalan
1. Belut sisit sabadarat
Kapiraray siang wengi
Wangsalna = Oray
2. Teu beunang di opak kembung
Teu beunang di entong-entong
Wangsalna = Kolontong
3. Kendang gede pakauman
Dad dig dug rasaning ati
Wangsalna = Bedug
44. 44
Syifa Sahaliya
Nu Ngadesain
Mia Farida
Nu Nyusun Naskah
Ghina Nurqori Aina
Nu Ngailustrasikeun