SlideShare a Scribd company logo
1 of 6
SISINDIRAN 
Ku : 
Cecep Maulana 
X MIA 2 
SMA NEGEI 1 CISARUA
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindir 
digunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeun 
salahsahiji golongan basa janget (plastisita basa) 
hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawa 
poksang ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongan 
anu hartina henteu sacéréwélna. Sisindiran nya eta 
kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang 
jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteu 
saceplakna bari dipamrih karesmianana (Salmun, 
1958:51). 
Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu 
kaitung lana. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang 
Karesian, nu rengse ditulis dina taun 1518, tina eta 
naskah kapanggih yen dina mangsa harita oge 
sisindiran teh geus hirup, kaasupna kana kelompok 
kawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku 
kituna, dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindiran 
kaasup kelompok sastra lagu.
Rarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage alat 
patalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja sina 
papak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu 
dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana 
harti rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugeran 
anu padalisanana papak di puhuna. 
Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62), disebut 
rarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui 
atawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R. 
Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nya 
eta sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog. 
Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun papak 
atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi. 
Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna 
(mindoan kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora 
sarta murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). 
Jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlah 
padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang 
jeung satengahna eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana 
diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi.
Disawang tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilu 
golongan, nya eta: 
1. Rarakitan anu sifatna silih asih. 
Contona; 
Sapanjang jalan Soreang 
Moal weleh diaspalan 
Sapanjang tacan kasorang 
Moal welwh diakalan 
2. Rarakitan anu sifatna piwuruk. 
Contona; 
Sing getol nginum jajamu 
Nu guna nguatkeun urat 
Sing getol neangan elmu 
Nu guna dunya aherat 
3. Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon). 
Contona; 
Majar maneh cengkeh koneng 
Kulit peuteuy dina nyiru 
Majar maneh lengkeh koneng 
Kulit beuteung mani nambru 
Paparikan 
Paparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksud 
deukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal 
dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusina 
paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:
1. Paparikan anu sifatna silih asih. 
Contona; 
Pucuk tiwu akar bangban 
Amis mata di susukan 
Mun rek milu geuwat dangdan 
Cimata geura susutan 
2. Paparikan anu sifatna silih piwuruk. 
Contona; 
Ka kulah nyair kapiting 
Ngocok lobak bobodasna 
Ulah sok liar tipeuting 
Osok loba gogodana 
3. Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon). 
Contona; 
Poe Saptu poe Kemis 
Salasa beuleut-beuleutan 
Saha itu muril kumis 
Leumpangna eundeuk-eundeukan 
t
Wawangsalan 
Wawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung 
eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. 
Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangan 
tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung 
salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Umumna eusi 
wawangsalan teh mangrupa silihasih, cinta batawa birahi. 
Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua 
padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah 
engang dina unggal padalisan nyaeta 8 engang. 
Conto wawangsalan: 
Belut sisit saba darat, 
kapiraray siang wengi. (oray) 
Wangun sisindiran 
Salah sahiji carita nu dibalibirkeun téh nya éta ngaliwatan 
sindir, aya nu nyebutkeun sindir sampir aya ogé nu 
nyebutkeun Sisindiran. Ari maksudna mah sarua, sabada 
jalma nu diajak nyarita disindiran, dipiharep manéhna surti 
kana naon nu diucapkeun ku nu mere sindiran éta. 
Sindir sampir wangunna mangrupa ungkara kalimah. Upamana 
baé mun aya jalma nu datangna kabeurangan tapi disindiran

More Related Content

More from Cecep Azka Noberic

Contoh makalah bioteknologi yoghurt
Contoh makalah bioteknologi yoghurtContoh makalah bioteknologi yoghurt
Contoh makalah bioteknologi yoghurtCecep Azka Noberic
 
Indahnya membangun mahligahi rumah tangga
Indahnya membangun mahligahi rumah tanggaIndahnya membangun mahligahi rumah tangga
Indahnya membangun mahligahi rumah tanggaCecep Azka Noberic
 
Data invetaris alat alat kebersihan
Data invetaris alat alat kebersihan Data invetaris alat alat kebersihan
Data invetaris alat alat kebersihan Cecep Azka Noberic
 
Masjid Al-Aqsha yang sesungguhnya
Masjid Al-Aqsha yang sesungguhnyaMasjid Al-Aqsha yang sesungguhnya
Masjid Al-Aqsha yang sesungguhnyaCecep Azka Noberic
 
Donna hito desuka-nihongo benkyoushimasu
Donna hito desuka-nihongo benkyoushimasuDonna hito desuka-nihongo benkyoushimasu
Donna hito desuka-nihongo benkyoushimasuCecep Azka Noberic
 
power point biografi sareng autobiografi
power point biografi sareng autobiografipower point biografi sareng autobiografi
power point biografi sareng autobiografiCecep Azka Noberic
 

More from Cecep Azka Noberic (12)

Isi makalah yoghurt
Isi makalah yoghurtIsi makalah yoghurt
Isi makalah yoghurt
 
Contoh makalah bioteknologi yoghurt
Contoh makalah bioteknologi yoghurtContoh makalah bioteknologi yoghurt
Contoh makalah bioteknologi yoghurt
 
Indahnya membangun mahligahi rumah tangga
Indahnya membangun mahligahi rumah tanggaIndahnya membangun mahligahi rumah tangga
Indahnya membangun mahligahi rumah tangga
 
Biografi Isaac Newton
Biografi Isaac NewtonBiografi Isaac Newton
Biografi Isaac Newton
 
Data invetaris alat alat kebersihan
Data invetaris alat alat kebersihan Data invetaris alat alat kebersihan
Data invetaris alat alat kebersihan
 
Kitab kitab Allaah S.W.T.
Kitab kitab Allaah S.W.T.Kitab kitab Allaah S.W.T.
Kitab kitab Allaah S.W.T.
 
Alat alat optik SMA kELAS XI
Alat alat optik SMA kELAS XIAlat alat optik SMA kELAS XI
Alat alat optik SMA kELAS XI
 
pemerintahan pusat dan daerah
pemerintahan pusat dan daerahpemerintahan pusat dan daerah
pemerintahan pusat dan daerah
 
Masjid Al-Aqsha yang sesungguhnya
Masjid Al-Aqsha yang sesungguhnyaMasjid Al-Aqsha yang sesungguhnya
Masjid Al-Aqsha yang sesungguhnya
 
Donna hito desuka-nihongo benkyoushimasu
Donna hito desuka-nihongo benkyoushimasuDonna hito desuka-nihongo benkyoushimasu
Donna hito desuka-nihongo benkyoushimasu
 
power point biografi sareng autobiografi
power point biografi sareng autobiografipower point biografi sareng autobiografi
power point biografi sareng autobiografi
 
Presentation sejarah
Presentation sejarahPresentation sejarah
Presentation sejarah
 

Sisindiran dina basa Sunda

  • 1. SISINDIRAN Ku : Cecep Maulana X MIA 2 SMA NEGEI 1 CISARUA
  • 2. Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindir digunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeun salahsahiji golongan basa janget (plastisita basa) hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawa poksang ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwélna. Sisindiran nya eta kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (Salmun, 1958:51). Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu kaitung lana. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, nu rengse ditulis dina taun 1518, tina eta naskah kapanggih yen dina mangsa harita oge sisindiran teh geus hirup, kaasupna kana kelompok kawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku kituna, dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindiran kaasup kelompok sastra lagu.
  • 3. Rarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage alat patalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja sina papak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana harti rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugeran anu padalisanana papak di puhuna. Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62), disebut rarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui atawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R. Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nya eta sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog. Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun papak atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi. Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). Jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi.
  • 4. Disawang tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilu golongan, nya eta: 1. Rarakitan anu sifatna silih asih. Contona; Sapanjang jalan Soreang Moal weleh diaspalan Sapanjang tacan kasorang Moal welwh diakalan 2. Rarakitan anu sifatna piwuruk. Contona; Sing getol nginum jajamu Nu guna nguatkeun urat Sing getol neangan elmu Nu guna dunya aherat 3. Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon). Contona; Majar maneh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina nyiru Majar maneh lengkeh koneng Kulit beuteung mani nambru Paparikan Paparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksud deukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusina paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:
  • 5. 1. Paparikan anu sifatna silih asih. Contona; Pucuk tiwu akar bangban Amis mata di susukan Mun rek milu geuwat dangdan Cimata geura susutan 2. Paparikan anu sifatna silih piwuruk. Contona; Ka kulah nyair kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar tipeuting Osok loba gogodana 3. Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon). Contona; Poe Saptu poe Kemis Salasa beuleut-beuleutan Saha itu muril kumis Leumpangna eundeuk-eundeukan t
  • 6. Wawangsalan Wawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangan tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Umumna eusi wawangsalan teh mangrupa silihasih, cinta batawa birahi. Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaeta 8 engang. Conto wawangsalan: Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi. (oray) Wangun sisindiran Salah sahiji carita nu dibalibirkeun téh nya éta ngaliwatan sindir, aya nu nyebutkeun sindir sampir aya ogé nu nyebutkeun Sisindiran. Ari maksudna mah sarua, sabada jalma nu diajak nyarita disindiran, dipiharep manéhna surti kana naon nu diucapkeun ku nu mere sindiran éta. Sindir sampir wangunna mangrupa ungkara kalimah. Upamana baé mun aya jalma nu datangna kabeurangan tapi disindiran