SlideShare a Scribd company logo
1 of 46
Download to read offline
Rosidi, Ajip. 1966. Kesusastraan Sunda Déwasa Ini. Jatiwangi: Tjupumanik. 
--------------, 1969. Djalan ke Surga. Djakarta: Gunung Agung 
--------------, 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. 
--------------, 1984. Manusia Sunda. Jakarta: Inti Idayu Préss. 
--------------, 1989. Janté Arkidam. Bandung: Pustaka. 
Resmana, Min. 1973. Hujan di Girang Caah di Urang. Bandung: Mitra Kencana. 
Ruhimat, Asep. 2006. Sambel Jaer. Bandung: Puspawarna. 
Rusyana, Dr. Yus. 1982. Métode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang. 
--------------, 1982. Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang. 
--------------, 1982. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang. 
Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco. 
80 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Pamekar Diajar 
BASA SUNDA 
KIKD Kurikulum 2013 
Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK 
Kelas X 
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 
2013
Pamekar Diajar 
BASA SUNDA 
KIKD Kurikulum 2013 
Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat 
Ditangtayungan ku Undang-undang 
Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga 
larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan 
dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) 
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina 
dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal 
tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti 
rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. 
PANYUSUN: 
Tatang Sumarsono 
Ahmad Hadi 
Ano Karsana 
Asep Ruhimat 
Darpan 
Dede Kosasih 
H. Dingding Haerudin 
H. Yayat Sudaryat 
Risnawati 
PENELAAH: 
Prof. Dr. H. Iskandar Wasid 
Dr. Hj. Ai Sofi anti, M.Pd. 
Drs. H. Elin Syamsuri 
Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. 
Budi Riyanto 
Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar 
Rarancang Jilid : Yoshi Sukadar 
Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 
Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. 
Dipedalkeun ku: 
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 
ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap) 
978-602-1300-27-5 (Jilid 1) 
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT) 
Bab I 79 
PITUDUH UMUM 
PABUKON 
Baidillah, Drs.H. Idin, M.Pd,dkk. 2010. Aksara Sunda. Bandung: CV. Walatra. 
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum 2013. Bandung. 
Hadi spk, Drs. Ahmad. 2005. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. 
Hadish, Yétty Kusmiyati. 1979. Sastra Lisan Sunda Mite, Fabel, dan Légende 
1. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemén 
Pendidikan dan Kebudayaan. 
Iskandar, Yoséph. 1982. Tumbal. Bandung: Rahmat Cijulang. 
Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. 1990. Palanggeran Éjahan 
Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang. 
Karana, Rahmat M. Sas. 1979. Tepung di Bandung. Bandung: Rahmat Cijulang. 
Keraf, Dr. Gorys. 1980. Komposisi. Ende Florés: Nusa Indah. 
Kunto, Haryoto. 1984. Wajah Bandoeng Témpo Doeloe. Bandung: Granésia. 
Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté. 
Muchtar, R.H. Uton, Ki Umbara. 1994. Modana. Bandung: Manglé Panglipur. 
Mustapa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung. 
No. 1574. 1996. Majalah Manglé. 
No. 51-52. 1996. Majalah Simpay. 
---------------. 1986. Kedok Tangkorék. Bandung: Remadja Karya. 
Poerwadarminta, W.J.S. 1977. Kamus Umum Bahasa Indonésia. Jakarta: PN Balai 
Pustaka. 
Prawirasumantri, Drs. H. Abud, dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum 
Berbasis Kompeténsi Mata Pelajaran Bahasa Daérah (Sunda). Bandung: Geger 
Sunten. 
Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1977. Pedoman Éjaan Bahasa Sunda 
yang Disempurnakan. Jakarta.
5. Naha aya bahan Pnua hnéségeuanj kaerura mnu ri1d?: KKumaahwa ciahra ngungkulanana? 
6. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha 
léngkah-léngkahna? 
7. Jeung saterusna. 
78 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
PANGBAGÉA 
iii 
KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 
Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning 
nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan 
Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. 
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng 
buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna 
ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud 
No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès 
mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku 
Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana 
Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). 
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna 
ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa 
dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar 
ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan 
anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh 
kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna 
mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. 
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning 
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis 
basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 
2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal 
tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun 
sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku 
padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.
iv 
Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu 
tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa 
ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé 
dongkap. 
Bandung, Desember 2013 
Kepala Dinas P 
Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 
Prof. Dr. H. Moh 
Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA 
Pembina Utama Madya 
NIP. 19570807 198601 1 001 
Bab III 77 
PITUDUH MEUNTEUN 
D. Refleksi 
Réfl éksi téh diperlukeun keur ngaévaluasi kagiatan diajar ngajar nu geus 
lumangsung. Ngaliwatan refl eksi guru bisa ngaanalisis naha hiji pangajaran téh 
geus hasil sarta nyumponan pamaredih kompetensi inti, kompetensi dasar, jeung 
indikator atawa acan. Sacara umum réfl éksi téh aya dua rupa, nyaéta refl eksi 
pangajaran jeung réfl éksi guru sacara pribadi. 
1. Réfl éksi di ahir pangajaran 
Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru 
waktu rék mungkas pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun mikanyaho nepi 
ka mana réspon siswa kana pangajaran nu geus ditepikeun sarta naon masalah nu 
kapanggih salila prosés pangajaran. 
a. Meunang mangpaat naon tina pangajaran nu geus ditepikeun? 
b. Resep henteu waktu urang ngulik éta pangajaran téh? Lebah mana anu 
resepna, lebah mana anu henteu? 
c. Naon baé anu can kaharti tina éta pangajaran? Lebah mana anu ku hidep 
dianggap hésé? 
d. Naha waktu urang disskusi geus ngarasa méré kontribusi ka kelompok/ka 
nu séjén, atawa acan? 
e. Naha métode anu dilarapkeun téh ngabantu ka urang pikeun mikapaham 
bahan pangajaran? 
f. Kumaha pamadegan hidep kana carana ibu/bapa guru nepikeun 
pangajaran? 
g. Jeung saterusna. 
2. Réfl éksi pribadi guru 
Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru 
ka dirina pribadi sabada réngsé nepikeun hiji pangajaran. Tujuanana antarana 
baé pikeun ngabebenah kahéngkéran dirina, atawa ngukuhan naon nu geus 
dianggap unggul. Salian ti éta pikeun ngukur nepi ka mana hasilna pangajaran 
nu didadasaran ku réspon siswa. 
1. Kumaha prakna nepikeun pangajaran, naha geus nyumponan pamaredih 
kurikulum? 
2. Pangajaran mana nu geus éféktif, sarta mana anu acan? 
3. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun sangkan pamahaman murid leuwih 
jembar? 
4. Bahan mana nu geus dikawas ku murid, sarta mana anu acan?
4. Conto rubrik meunteun ngadongéng 
76 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
No 
Nama Siswa 
Aspek yang dinilai 
Jumlah 
Skor 
Skor 
Basa Pasemon 
Lentong/ 
Wirahmaa 
Gestur/ 
tagog 
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 
1 
2 
3 
5. Conto rubrik meunteun guguritan 
a. Meunteun karangan guguritan 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Gagasan/Eusi 10 – 25 
2. Diksi nu digunakeun 10 – 25 
3. Bener henteuna guru lagu jeung guru wilangan 10 – 25 
4. Aspék musikalitas/wirahma. 10 – 25 
Jumlah 40 – 100 
b. Meunteun nembangkeun guguritan 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 – 35 
2. WIrahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 – 35 
3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 -- 30 
Jumlah 30 -- 100 
6. Conto rubrik meunteun sisindiran 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Gagasan/Eusi 10 – 25 
2. Diksi nu digunakeun 10 – 25 
3. Kasaluyuan purwakanti cangkang jeung eusi 10 – 25 
4. Itungan engang jeung wirahma 10 – 25 
Jumlah 40 – 100 
v 
PANGBAGÉA 
KEPALA BALAI 
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN 
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 
Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara 
nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun 
janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna 
patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik 
Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, 
standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem 
sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu 
mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. 
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 
24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana 
janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid 
diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid 
eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen 
anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar 
silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar 
buku murid. 
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi 
buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, 
nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifi k sareng 
penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu 
ngalarapkeun pamerakan saintifi k sareng penilaian auténtik dina prosés 
pangajaran. 
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala 
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 
2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada 
jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar 
kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan 
Dasar dan Menengah. 
vi 
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten 
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, 
anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung 
sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. 
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi 
kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu 
nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan 
pameredih sareng kaayaan pajaman. 
Bandung, Desember 2013 
Kepala Balai Pengembangan 
Bahasa Daerah dan Kesenian, 
Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd. 
Pembina Tk. I 
NIP. 196110051986031014 
Bab III 75 
PITUDUH MEUNTEUN 
2. Conto rubrik meunteun paguneman 
No 
Nama 
Siswa dan 
pasangan-nya 
Aspek yang dinilai 
Jum. 
Skor 
Skor 
Eusi Basa Pasemon Lentong 
Undak-usuk 
basa 
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 1 2 3 
1 
2 
3 
3. Conto rubrik meunteun aksara Sunda 
a. Maca aksara Sunda 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Gancang kendorna maca 10 – 25 
2. Bener henteuna ngejah aksara 10 – 25 
3. Lagu kalimah 10 – 25 
4. Pamahaman kana bacaan 10 – 25 
Jumlah 40 – 100 
b. Nulis aksara Sunda 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Karapihan tulisan: Wangun aksara, jajaran lempeng 10 – 20 
2. Kaajegan wangun aksara 10 – 30 
3. Benerna wangun aksara 10 – 30 
4. Benerna pananda sora (rarangkén) 10 – 20 
Jumlah 40 – 100 
c. Desain aksara Sunda 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Akurasi (bener henteuna) aksara Sunda nu didigunakeun 10 – 20 
2. Aspek ‘keterbacaan’ aksara Sunda nu digunakeun 10 – 30 
3. Unsur estetik/kaendahan kaligrafi 10 – 30 
4. Komposisi warna jeung wangun 10 – 30 
Jumlah 40 – 100
8. Conto rubrik meunteun ngarang 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Eusi atawa gagasan 13 – 35 
2. Organisasi tulisan 7 – 20 
3. Kandaga kecap jeung pilihan kecap 7 -- 20 
4. Adegan basa 7 – 20 
5. Unsur mékanik: Ejaan, tanda baca, jeung karapihan 2 – 5 
Jumlah 30 -- 100 
C. Instrumen Meunteun Husus 
Ieu di handap sawatara conto rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran 
nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa 
observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, 
mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh 
panngajaran. 
1. Conto rubrik meunteun biantara. 
No Aspek Bobot 
74 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Jumlah 
Nilai 
1. 
Aspek Bahasa 
a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama 
bahasa 
b. Struktur bahasa (bentukan kata dan 
kalimat) yang benar 
c. Pelafalan dan intonasi 
35 
2. 
Pemahaman Isi 
a. Penguasaan Isi 
b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji) 
c. Organisasi dan sistematika penyampaian 
isi 
35 
3. 
Penampilan (Ekspresi) 
a. Gestur (mimik dan gerak) 
b. Kreasi dan gaya bicara 
30 
J u m l ah 100 
Rentang nilai 60 - 100 
Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis 
Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman, 
utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék 
teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran 
téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran 
basa Sunda. 
Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, 
jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun 
pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa 
Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka 
média jeung wahana pangajaran basa Sunda. 
Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi 
dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep 
ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung 
paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). 
Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun 
minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta 
luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran 
winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) 
anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintifi k) kayaning niténan, nanya, 
nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun). 
Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah 
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung 
pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék 
dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel 
maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra 
vii 
PANGJAJAP
Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur 
ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana. 
viii 
Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut 
pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina. 
Bandung, Oktober 2013 
Panyusun 
Bab III 73 
PITUDUH MEUNTEUN 
5) Conto rubrik meunteun sawala 
Kritéria Alus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1) 
Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain 
Komunikasi non-verbal 
Ngaréspon Kurang réspon Api lain 
Ilubiung Aktif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun 
Omongan 
Nepikeun 
pamadegan 
ngaruntuy 
Nepikeun 
pamadegan 
kurang ngaruntuy 
Cicingeun 
Katerangan: 
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. 
Total peunteun 
2. Cara meunteun: 
X 10 
12 
3. Contona: 
2 + 3 + 1 + 2 
X 10 = 
8 
= 6,7 
12 12 
6. Conto rubrik meunteun Maca 
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 
1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20 
2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20 
3. Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan 10 -- 20 
4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20 
Jumlah 40 -- 100 
7. Conto rubrik meunteun nyarita 
No 
Nama 
Siswa 
Aspek yang dinilai 
Jumlah 
Skor 
Eusi Basa Pasemon Diksi Skor 
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 
1 
2 
3
Rentang skor = 1 – 5, skor minimal = 6, skor maksimal = 30 
Skor: 0 – 6 = Sangat Kurang 
7 – 12 = Kurang 
13 – 18 = Cukup 
19 – 24 = Baik 
25 – 30 = Sangat Baik 
3. Rubrik Meunteun Sikep 
No. Sikep 
72 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Encan 
écés 
Mimiti 
écés 
Mimiti 
Mekar 
Dibiasakeun Kat. 
1. Taliti 
2. Tanggung jawab 
3. Disiplin 
4. Jujur 
5. Santun 
6. Peduli 
7. Percaya diri 
4) Conto rubrik meunteun pangaweruh 
No Indikator Teknik Bentuk Instrumen 
1 
Bisa 
nyebutkeun 
tokoh wayang 
tina babad 
Mahabarata. 
Tes Uraian 
1. Pandawa téh anak 
Pandudéwana ti dua bibit, 
nyaéta Déwi Kunti jeung 
Déwi Madrim. Sebutkeun 
saha baé nu lahir ti déwi 
Madrim jeung saha nu ti 
Déwi Kunti! 
2. Saha anu dimaksud panengah 
Pandawa téh jeung naha 
manéhna disebut kitu? 
3. Sebutkeun tilu tokoh nu 
kagolong ka kulawadet 
Kurawa? 
4. Saha ngaran guru Pandawa 
jeung Kurawa téh? 
5. Yudistira téh boga pamajikan, 
saha ngaranna? 
jst jst jst jst jst 
DAPTAR EUSI 
PANGBAGEA: 
1. Kepala Dinas Pendidikan 
Provinsi Jawa Barat _ iii 
2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas 
Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v 
PANGJAJAP _ vii 
BAB I: PITUDUH UMUM 
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ......................................................... 2 
B. Padika Make Buku Tuturus Guru ..................................................... 2 
C. Tatapakan Formal ........................................................................... 4 
D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ..................................... 4 
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) .................................................. 5 
F. Proses Pangajaran ............................................................................ 5 
G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X 
SMA/MA/SMK/MAK ................................................................... 6 
H. Péta Konsép ................................................................................... 8 
BAB II: PITUDUH HUSUS 
Pangajaran 1: Biantara 
A. Maca Téks Biantara ...................................................................... 10 
B. Nyangkem Struktur Biantara ....................................................... 12 
D. Ngaanalisis Téks Biantara ............................................................. 13 
E. Nepikeun Biantara ....................................................................... 14 
ix
Pangajaran 2: Paguneman 
x 
A. Maca Paguneman ....................................................................... 16 
B. Ngaanalisis Paguneman ............................................................... 17 
C. Paguneman dina Karya Sastra ...................................................... 18 
D. Nyusun Téks aguneman ............................................................... 20 
E. Mintonkeun Paguneman ............................................................. 22 
Pangajaran 3: Biografi jeung Autobiografi 
A. Maca Téks Biografi ...................................................................... 25 
B. Biografi , Autobiografi , jeung Otobiografi ..................................... 25 
C. Unsur-unsur Biografi .................................................................. 26 
D. Mangpaat Biografi ...................................................................... 26 
E. Ngaanalisis Téks Biografi ............................................................. 27 
F. Nyusun Téks Biografi .................................................................. 27 
Pangajaran 4: Aksara Sunda 
A. Maca Téks Aksara Sunda .............................................................. 31 
B. Mikawanoh Aksara Sunda ............................................................ 33 
C. Paham Sajarah Aksara Sunda ........................................................ 33 
D. Nyalin Téks Aksara Sunda ............................................................ 34 
E. Ngagunakeun Aksara Sunda ........................................................ 35 
Pangajaran 5: Dongéng 
A. Maca Téks Dongéng .................................................................... 38 
B. Papasingan Dongéng ................................................................... 39 
C. Ciri-ciri Dongéng ..................................................................... 39 
D. Ngaanalisis Téks Dongéng ........................................................... 40 
E. Ngaéksprésikeun Dongéng .......................................................... 41 
Pangajaran 6: Carita Wayang 
A. Mikawanoh Carita Wayang .......................................................... 43 
B. Pedaran Carita Wayang ................................................................ 44 
C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng ............................... 45 
D. Ngaanalisis Carita Wayang ........................................................... 47 
Bab III 71 
PITUDUH MEUNTEUN 
71 
B. Instrumen Meunteun Umum 
Ieu di handap aya sawatara rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran 
nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa 
observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, 
mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh 
panngajaran. 
1. Conto rubrik meunteun spiritual. 
No 
Nama 
Siswa 
Menyadari 
keberadaan 
bahasa 
Sunda 
sebagai 
anugrah 
dari Tuhan 
Yang Maha 
Esa 
Menyadari 
keberadaan 
bahasa 
Sunda 
sebagai alat 
komunikasi 
Bersyukur 
atas 
kebesaran 
Tuhan 
dengan 
adanya 
keragaman 
bahasa 
Bersyukur 
atas kebe-saran 
Tuhan 
dengan 
adanya 
kekhasan 
dan keung-gulan 
baha-sa 
Sunda 
Skor 
Total 
1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 
2 
3 
4 
5 
Keterangan: 
Selalu = 4 
Sering = 3 
Tidak pernah = 1 
Skor minimal = 4 
Skor maksimal = 16 
Kriteria: 
0 – 4 = kurang 
5 – 8 = cukup 
9 – 12 = baik 
13 – 16 = sangat baik 
2. Conto rubrik meunteun sosial 
No 
Nama 
Siswa 
Aspek yang dinilai 
Jumlah 
skor 
Nilai 
Percaya Tanggung 
Kerja 
Teliti Santun 
Toleransi 
Akhir 
Diri 
Jawab 
sama 
1 
2 
3
Dina ieu bab bakal dipedar kumaha cara meunteun unggal kompetensi murid 
ku rupa-rupa instrumen penilaian. Cara meunteun téh aya nu sipatna umum, 
ogé aya nu sipatna husus. Cara meunteun anu sipatna umum dilarapkeun kana 
kagiatan-kagiatan anu lumrah dipigawé dina unggal kagiatan diajar. Upamana 
keur meunteun sikep spiritual jeung sosial, meunteun lumangsungna diskusi, 
atawa meunteun kompetensi-kompetensi anu umum. Upamana bae meunteun 
karangan murid jeung meunteun carana murid nyarita. Cara meunteun anu 
sipatna husus dilarapkeun pikeun nguji rupaning kompetensi sakumaha nu 
kaunggel dina buku murid, tur mikabutuh instrumen penilaian anu husus. 
Utamana dilarapkeun pikeun meunteun tugas-tugas mandiri. Upamana 
meunteun biantara murid, meunteun hasil analisis, meunteun karangan guguritan 
atawa sisindiran, jeung sajabana. 
Pancén-pancén nu nyampak dina buku murid bisa dipeunteun ku rubrik 
penilaian anu umum atawa anu husus, luyu jeung kabutuhanana. Upamana, 
keur meunteun karangan carita pondok karya siswa, guru bisa ngalarapkeun 
instrumen penilaian anu sipatna umum keur meunteun karangan, atawa make 
rubrik husus keur meunteun karangan carpon. 
A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) 
1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur unggal-unggal murid. 
2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda gumantung kana jumlah 
komponén dina unggal pangajaran. 
3. Komponén anu dipeunteun dicontréng keur nandaan geus tutas acanna. 
4. Conto rubrikna siga ieu di handap: 
Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Pangajaran 1 (Biantara) 
Materi nu dipeunteun 
70 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Katerangan Tutas 
Enggeus Encan 
A. Maca teks biantara 
B. Nyangkem struktur biantara 
C. Neuleuman padika biantara 
D. Ngaanalisis téks biantara 
E. Nepikeun biantara 
Pangajaran 7: Carita Pondok 
A. Maca Carita Pondok ................................................................... 50 
B. Unsur-unsur Carita Pondok ........................................................ 51 
C. Kamekaran Carpon .................................................................... 52 
D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng ......................................... 52 
E. Fiksimini Sunda .......................................................................... 53 
F. Ngaanalisis Carpon ..................................................................... 54 
G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini ................................................. 55 
Pangajaran 8: Guguritan 
A. Maca Teks Guguritan .................................................................. 58 
B. Mikawanoh Puisi Guguritan ........................................................ 59 
C. Ngaanalisis Puisi Guguritan ......................................................... 60 
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan .................................... 60 
Pangajaran 9: Sisindiran 
A. Mikawanoh Sisindiran ................................................................. 63 
B. Nyangkem Sisindiran .................................................................. 65 
C. Ngaanalisis Sisindiran .................................................................. 65 
D. Ngarang Sisindiran ...................................................................... 67 
BAB III: PITUDUH MEUNTEUN 
A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) ............................... 70 
B. Instrumen Meunteun Umum ........................................................... 71 
C. Instrumen Meunteun Husus ............................................................ 74 
D. Refl eksi ......................................................................................... 77 
PABUKON .......................................................................................... 79
69 
Bab 
I I I 
Pituduh Meunteun
68 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
19 
Klompok murid tuluy ngeusian Pancén5, ku cara diskusi pikeun 
nyusun cangkang sisindiran nu eusina geus disadiakeun. Salila prosés 
diskusi, guru ngaping murid sarta jadi fasilitsator upama murid 
manggih masalah dina diskusi. 
20 
Sabada pancén dipigawé, guru nugaskeun kelompok sacara acak pikeun 
macakeun atawa ngagalantangkeun sisindiran hasil beubeunanganana. 
Cara macakeunana bisa ogé ku ditembangkeun ngarah kelas jadi hégar. 
Guru méré koméntar atawa ngalelempeng saupama aya sisindiran nu 
disusun ku murid kurang merenah strukturna. 
21 
Sabada éta, nincak kana tahap kadua, nyaéta murid ngarang siisindiran 
sorangan anu gembleng cangkang jeung eusina. Ieu pancén bisa ogé 
dipigawé dina kelompok nu sarua, minangka prakték tina modél diajar 
“kolaboratif ” kalawan catetan sisindiran nu dijieun ku masing-masing 
murid ulah aya nu sarua. 
22 
Guru nugaskeun sawatara murid pikeun ngagalantangkeun atawa 
ngawihkeun sisindiran beunangna sorangan sacara bagilir. Guru 
ngaaprésiasi ka murid anu karyana pinunjul sarta ngumpulkeun hasil 
karya murid minangka portofolio. Sisindiran anu dianggap pinunjul 
ogé bisa dipublikasikeun/dipamérkeun ngaliwatan rupa-rupa média. 
KAGIATAN PANUTUP 
Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun 
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina 
pangajaran sisindiran? Naon baé kasusah/hahalang dina pangajaran sisindiran? 
Naha carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung 
kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. 
Guru méré saran sangkan murid mikaresep sisindiran minangka bagian tina 
kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina rupa-rupa 
sisindiran nu geus diulik. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun 
tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji 
bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi 
perkara sisindiran dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan 
aprésiasi sastra. 
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran 
réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara sisindiran, jeung geus bisa ngahasilkeun 
karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), 
daya pikir, jeung daya cipta. 
1 
Bab 
I 
Pituduh Umum
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru 
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina 
ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara 
hal. 
1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru 
pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator. 
2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu 
gumulung tur ngamalir. 
3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman 
diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah 
hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifi k), kamampuh 
ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur 
numuwuhkeun rasa basa Sunda. 
4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid. 
5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran 
pangaweruh murid. 
6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 
7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid. 
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh 
(sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari 
paripolahna ngawengku: 
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, 
tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu 
ditepikeun. 
3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu 
bakal diulik. 
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem 
konsép. 
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid. 
B. Padika Make Buku Tuturus Guru 
Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké 
buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas. 
Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 
2 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Bab II 67 
PITUDUH HUSUS 
16 
Tabél wawangsalan: 
Wawangsalanan Jawaban tarucing Katerangan 
………………….. ………………….. ………………….. 
………………….. ………………….. ………………….. 
Kolom katerangan téh dibutuhkeun lantaran sok aya sisindiran anu 
henteu matok kana aturan anu baku. Upamana jumlah engangna leuwih 
ti dalapan, sapadana henteu matok opat jajar-opat jajar, atawa sakapeung 
sok kapanggih wangun sisindiran anu sora tungtungna henteu nyeplés 
murwakanti. Contona: 
Jaksi belang jaksi hideung, 
Pandan laut kukuncungan; 
Bisi melang bissi nineung, 
Imut heula urang di panungtungan. 
Kembang eros sisi pilar, 
Ngarambat kana jambatan, 
Supados dipaké baé; 
Ulah rumaos ditilar, 
Jaga gé mo burung tepang, 
Supados diaku baé. 
17 
Sabada dipigawé, hasil analisis murid dilaporkeun ka guru sarta guru 
ngaévaluasi éta pancén individual tur méré koméntar saperluna upama 
dibutuhkeun. 
D. Ngarang Sisindiran 
No Kagiatan 
18 
Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok. Anggota kelompokna 
bisa dua atawa tilu urang. Ti dinya guru nerangkeun pancén nu kudu 
dipigawé ku murid sakumaha anu didadarkeun dina Pancén 5. Tahap 
kahiji, murid latihan heula ngalengkepan sisindiran nu eusina geus 
disadiakeun, sarta tahap kadua murid kudu ngarang sisindiran kalawaan 
gembleng ngawengku cangkang jeung eusina. Minangka catetan, 
sisindiran anu kudu dikarang ku murid téh nyaéta wangun paparikan 
atawa rarakitan, lain wawangsalan anu tingkat kasulitanana rada luhur.
66 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
11 
Sabadana, guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok leutik. Hiji 
kelompok anggotana antara 3-4 urang. Guru nerangkeun naon nu 
kudu dipigawé ku kelompok sarta méré kasempetan ka murid pikeun 
nanyakeun hal-hal anu teu dipikaharti. 
12 
Tahap mimiti, kelompok murid kudu migawé Pancén 2, nyaéta 
ngaanalisis sisindiran dina tabél, utamana kudu manggihan jawaban tina 
pertanyaan: kaggolong kana naon wangun jeung eusi éta sisindiran? 
Guru ogé nyiapkeun tabel matrikulasi keur ngaragum jawaban murid. 
13 
Kelompok ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna 
dina tabel matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil 
analisis, guru ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi 
deui ka murid saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna 
manggih kacindekan. 
14 
Tahap kadua, kelompok murid nu sarua dibéré pancén pikeun migawé 
soal dina Pancén 3. Prosés diskusina sarua jeung prosés dina tahap mimiti, 
nyaéta murid kudu manggihan jawaban: naon eusi tina tarucingan lima 
wawangsalan nu aya dina tabél? Sabada bérés ngajawab soal, kelompok 
ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna dina tabel 
matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil analisis, guru 
ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi deui ka murid 
saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna manggih kacindekan. 
15 
Réngsé migawé Pancén 3 jeung pancén 4, murid dibéré pancén 
individual pikeun ngaanlisis sisindiran jeung wawangsalan anu séjén. 
Sumbernna bisa tina buku, majalah, koran, atawa internét. Éta pancén 
bisa mangrupa “tugas mandiri terstruktur”. Upamana baé, murid 
ditugakeun ngumpulkeun lima paparikan, lima rarakitan, jeung lima 
wawangsalan. Guru tuluy ngadadarkeun naon anu kudu dipigawé ku 
murid sakumaha katerangan anu nyampak dina Pancén 4. 
Laporan murid bisa mangrupa tabél, nu wangunna siga tabél dina Pancén 
2 jeung Pancén 3. Keur ngajawab pertanyaan nomer 3 (Akurkeun 
jeung patokan sisindiran anu umum), murid bisa nambahan kolom 
katerangan keur eusi éta jawaban. Jadi, tabélna bisa kieu: 
Tabél paparikan jeung rarakitan: 
Sisindirannana Wangunna Eusina Katerangan 
……………….. ……………….. ……………….. ……………….. 
……………….. ……………….. ……………….. ……………….. 
1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran. 
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan 
pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun 
sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé. 
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, 
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku 
Bab I 3 
pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé. 
PITUDUH UMUM 
babon murid. 
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan 
séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 
7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, 
nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna 
sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 
8. Guru dipiharep mekarkeun: 
a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan 
(PAIKEM)”; 
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; 
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; 
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; 
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa 
patali jeung sosial budaya Sunda. 
10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun 
sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di 
sakola. 
11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru 
kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé 
alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa 
ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak. 
12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x 
lawungan). 
13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif 
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung 
ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun 
(kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung 
kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan 
ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung 
ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina 
portofolio murid. 
15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfl eksi 
sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun. 
16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna 
téh cerdas tur bisa. 
17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, 
tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh 
béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun 
sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar. 
C. Tatapakan Formal 
Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana 
Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. 
Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) 
Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai 
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan 
Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé 
kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum 
Daerah (Kurda). 
Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu 
jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu 
maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, 
sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, 
téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah 
guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana. 
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari 
sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan 
mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun 
pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan 
lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan 
guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong 
sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan. 
D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran 
Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku 
babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, 
4 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
Bab II 65 
PITUDUH HUSUS 
5 
Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun 
hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung 
jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat 
kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban 
dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun 
jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua 
atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 
6 
Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru 
nyindekkeun hasil diskusi. 
B. Nyangkem Sisindiran 
No Kagiatan 
7 
Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana 
pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana 
usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara sisindiran. Dina ieu 
bagian, aya hadéna guru mawa conto sisindiran séjénna, boh nu 
mangrupa buku, kliping koran, jeung sajabana. 
8 
Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran 
dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero 
haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun 
pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti. 
9 
Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur 
ngajembaran pangaweruhna. 
C. Ngaanalisis Sisindiran 
No Kagiatan 
10 
Dina ieu bagian, aya tilu pancén nu kudu dipigawé ku murid, nyaéta 
Pancén 2 jeung pancén 3, jeung Pancén 4. Pancén 2 jeung tilu kudu 
dipigawé ku kelompok, sedengkeun Pancén 4 kudu dipigawé sacarra 
individual. 
Guru nugaskeun murid pikeun ngimeutan soal-soal dina Pancén 
2 jeung 3. Murid ogé ditugaskeun keur nyirian kekecapan anu teu 
dipikaharti, sarta sina disusun jadi glosarium keur ditéangan hartina 
ngagunakeun bantuan kamus basa Sunda.
Tahap I Tahap I 
64 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
2 
Murid tuluy disina maca éta conto sisindiran di jero haté kalawan 
daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu 
pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku 
murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan 
hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur 
ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. 
3. 
Sabada bérés maca conto sisindiran, murid dibagi jadi sawatara kelompok 
pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Jumlah 
kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun jadi 
8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok 
kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi 
di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota 
kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, 
nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota 
kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén 
pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di 
kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. 
Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: 
KELOMPOK 1 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 1) 
KELOMPOK 2 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 2) 
KELOMPOK 3 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 3) 
KELOMPOK 4 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 4) 
KELOMPOK 5 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 5) 
KELOMPOK 6 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 6) 
KELOMPOK 7 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 7) 
KELOMPOK 8 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 8) 
Tahap II 
KELOMPOK ANYAR 
(Hiji wakil ti kelompok 
nu dalapan ngahiji 
ngawangun kelompok 
anyar keur nyusun 
jawaban pertanyaan 1 
nepi ka pertanyaan 
nomer 8) 
4 
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota 
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok 
anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur 
nepikeun jawaban di hareupeun kelas. 
terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana 
babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. 
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, 
tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun 
lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa 
wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna). 
Bab I 5 
PITUDUH UMUM 
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) 
Ranah SD/MI SMP/MTs 
SMA/SMK/ 
MA/MAK 
Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun 
Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab 
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, 
alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna. 
Kaparigelan 
Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung 
ngalarapkeun 
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur 
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). 
Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. 
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta 
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban. 
F. Proses Pangajaran 
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifi k, anu léngkah-léngkahna: 
1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 
2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala; 
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih 
jembar; 
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen); 
5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan) 
6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu 
lian.
G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) 
Kelas X SMA/SMK/MA/MAK 
KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD) 
10.1 Menghayati dan mengamalkan 
ajaran agama yang dianutnya. 
6 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
10.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan 
keberadaan bahasa Sunda dan 
menggunakannnya sesuai dengan 
kaidah dan konteks sosial budaya 
sebagai sarana komunikasi melalui 
teks BIANTARA, PAGUNEMAN, 
BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI, 
AKSARA SUNDA, DONGENG, 
CARITA WAYANG, CARPON, 
GUGURITAN, DAN 
SISINDIRAN. 
10.2 Menghayati dan mengamalkan 
perilaku jujur, disiplin, 
tanggungjawab, peduli (gotong 
royong, kerjasama, toleran, 
damai), santun, responsif dan 
proaktif dan menunjukkan 
sikap sebagai bagian dari solusi 
atas berbagai permasalahan 
dalam berinteraksi secara efektif 
dengan lingkungan sosial dan 
alam serta dalam menempatkan 
diri sebagai cerminan bangsa 
dalam pergaulan dunia. 
10.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, 
disiplin, peduli, santun, dan proaktif 
dalam berbahasa Sunda untuk 
memahami BIANTARA dan 
PAGUNEMAN. 
10.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, 
disiplin, dan tanggung jawab dalam 
berbahasa Sunda untuk memahami 
BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI 
serta AKSARA SUNDA. 10.2.3 
Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, 
dan peduli dalam berbahasa Sunda 
untuk memahami DONGENG, 
CARITA WAYANG,CARPON, 
GUGURITAN, dan SISINDIRAN 
10.3 Memahami, menerapkan, 
menganalisis pengetahuan 
faktual, konseptual, prosedural 
berdasarkan rasa ingintahunya 
tentang ilmu pengetahuan, 
teknologi, seni, budaya, dan 
humaniora dengan wawasan 
kemanusiaan, kebangsaan, 
kenegaraan, dan peradaban 
terkait fenomena dan kejadian, 
serta menerapkan pengetahuan 
prosedural pada bidang kajian 
yang spesifi k sesuai dengan 
bakat dan minatnya untuk 
memecahkan masalah. 
0.3.1 Mengidentifi kasi dan menganalisis 
teks BIANTARA sesuai dengan 
kaidah-kaidahnya. 
10.3.2 Mengidentifi kasi dan menganalisis 
teks PAGUNEMAN sesuai dengan 
kaidah- kaidahnya. 
10.3.3 Mengidentifi kasi dan 
menganalisisteks BIOGRAFI dan 
OTOBIOGRAFI sesuai dengan 
kaidah-kaidahnya. 
10.3.4 Mengidentifi kasi dan 
menganalisisteks AKSARA 
SUNDA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 
Bab II 63 
PITUDUH HUSUS 
Pa n g a j a r a n 9 
SISINDIRAN 
KAGIATAN AWAL 
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran 
sisindiran. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa 
deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina 
kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. 
Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus 
dimangpaatkeun ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana 
dipaké keur nepikeun rupaning kabeungharan budaya, upamana dipaké 
dina sisindiran. Guru bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid keur ngagali 
pangawruh awal murid patali jeung sisindiran. Alus lamun aya conto sisindiran 
anu populer keur ngahudang ingetan murid ngeunaan sisindiran. Atawa, bisa 
ogé milih hiji lagu anu rumpakana maké sisindiran samodel “Bubuy Bulan”, 
“És Lilin”, atawa “Sorban Palid”. 
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri sisindiran 
ku cara némbongkeun buku sisindiran atawa gambar/foto nu keur sisindiran 
nu sumberna tina koran, majalah, atawa internét. Diterangkeun yén sanajan 
sisindiran mangrupa sastra lisan nu geus heubeul pisan ayana, tapi nepi ka 
kiwari dipaké kénéh ku masarakat Sunda keur rupa-rupa kaperluan. 
Guru nepikeun tujuan pangajaran sisindiran luyu jeung pamaredih Kompeténsi 
Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa manggihan ciri-ciri 
puisi sisindiran, maham padika puisi sisindiran, nyebutkeun fungsi sisindiran 
dina kagiatan komunikasi, sarta bisa ngarang sisindiran ku sorangan. 
KAGIATAN INTI 
A. Mikawanoh Sisindiran 
No Kagiatan 
1 
Murid diwanohkeun kana sababaraha conto sisindiran di Bagian A. 
Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. 
Upamana niténan pada jeung padalisanana, kekecapanana, jeung 
sajabana.
KAGIATAN PANUTUP 
Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun 
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina 
pangajaran guguritan? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? Naha 
carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti 
ku murid? Jeung sajaba ti éta. 
Guru méré saran sangkan murid resep maca guguritan minangka bagian 
tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta 
karangan. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa 
kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu 
ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara guguritan dina 
raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. 
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh 
geus meunang rupa-rupa élmu perkara guguritan, jeung geus bisa ngahasilkeun 
karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), 
daya pikir, jeung daya cipta. 
110.3.5 Mengidentifi kasi, menganalisis, 
dan membandingkan DONGENG 
dan CARITA WAYANG sesuai 
dengan kaidah-kaidahnya. 
Bab I 7 
PITUDUH UMUM 
10.3.6 Mengidentifi kasi 
danmenganalisisCARPONsesuai 
dengan kaidah-kaidahnya. 
10.3.7 Mengidentifi kasi dan 
menganalisisGUGURITAN sesuai 
dengan kaidah-kaidahnya. 
10.3.8 Mengidentifi kasi dan 
menganalisisSISINDIRANsesuai 
dengan kaidah-kaidahnya. 
10.4 Mengolah, menalar, dan 
menyaji dalam ranah konkret 
dan ranah abstrak terkait 
dengan pengembangan dari 
yang dipelajarinya di sekolah 
secara mandiri, dan mampu 
menggunakan metoda sesuai 
kaidah keilmuan. 
10.4.1 Menyusun, menanggapi, 
dan memperagakan teks 
BIANTARAsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 
10.4.2 Menyusun,menanggapi, 
dan memperagakan teks 
PAGUNEMAN sesuai dengan 
kaidah- kaidahnya. 
10.4.3 Menyusun, menanggapi, dan 
membandingkan teks BIOGRAFI 
dan OTOBIOGRAFI sesuai 
dengan kaidah-kaidahnya. 
10.4.4 Menyusun dan menyunting 
teks pendek yang menggunakan 
AKSARA SUNDA sesuai dengan 
kaidah-kaidahnya. 
10.4.5 Menanggapi dan mengekspresikan 
DONGENG dan CARITA 
WAYANG sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 
10.4.6 Menanggapi dan mengekspresikan 
CARPON sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 
10.4.7 Menanggapi dan mengekspresikan 
GUGURITAN sesuai dengan 
kaidah-kaidahnya secara lisan dan 
tulisan. 
10.4.8 Menanggapi dan mengekspresikan 
SISINDIRAN sesuai dengan 
kaidah-kaidahnya secara lisan dan 
tulisan.
8 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
H. Péta Konsép 
17 
Kagiatanana bisa dimimitian ku méré motivasi ka murid sangkan 
murid sumanget migawé tugas. Upamana ku cara nepikeun ieu hal di 
handap: 
- Ngarang guguritan téh bisa dianggap kagiatan keur miara jeung 
ngamumulé kabudayaan sorangan. Mun dibanding jeung sajak, 
guguritan leuwih némbongkeun warna kabudayaan lokal. 
- Ngaarang guguritan ogé bisa dipaké cara keur ngalatih daya pikir 
jeung daya cipta, utamana dina cara néangan kekecapan anu 
merenah jeung nyusunna jadi hiji karangan anu mandiri. 
- Eusi guguritan bisa ngébréhkeun rasa jeung pikiran, anu bisa 
jadi aya mangpaatna keur batur. Bisa keur hiburan, keur babagi 
informasi, atawa ngungkab rasa kamanusaan. 
- Saupama alus, hasil karangan bisa dipubublikasikeun, boh 
ngaliwatan webiste, blog, atawa dina koran jeung majalah. Copelna 
bisa ditémpél di majalah dingding sakola. 
18 
Murid ditugaskeun pikeun ngimeutan léngkah-léngkah Pancén 4, 
nepi ka kapaham enya-enya ku murid. Guru ogé méré kasempetan 
ka murid pikeun nepikeun pertanyaan upama aya hal-hal anu teu 
kaharti. 
19 
Murid ngarang guguritan luyu jeung tema anu dipilihna sarta 
ngéstokeun aturan pupuhna (guru lagu, guru wilangan, jeung watekna). 
Dina ieu prosés guru méré kabébasan pikeun murid, utamana dina 
néangan insprirasi keur bahan karangan. Guru ogé bisa ngaalarapkeun 
modél pembelajaran kolaboratif, ku cara méré saran ka murid pikeun 
diajar babarengan, silih bantuan, atawa silih tukuer informasi. Murid 
anu boga kamampuan anu punjul bisa méré bantuan ka murid séjénna, 
atawa méré bongbolongan ka babaturanana nu nyanghareupan 
rupaning masalah sajeroning prosés ngarang. 
20 
Guru ngaping rposés diajar murid, sarta jadi pasilitator atawa sumber 
informasi upama diperlukeun. 
21 
Murid ngumpulkeun karanganana sarta diajén ku guru. Saupama 
kapanggih aya karya murid anu punjul, guru bisa méré aprésiasi atawa 
méré ‘reward”. Sakabéh karangan murid tuluy disusun jadi portofolio 
atau disusun jadi antologi karya murid. Karangan nu punjul téa bisa 
dipublikasikeun ku rupa-rupa cara keur ngahudang sumanget murid.
60 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
10 
Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur 
ngajembaran pangaweruhna. 
C. Ngaanalisis Puisi Guguritan 
No Kagiatan 
11 
Sabada diwanohkeun kana conto puisi guguritan jeung mikapaham 
pedaranana, murid dibéré tugas pikeun ngaanalisis puisi guguritan anu 
béda. Guru 
méré pancén ka murid maca guguritan “Nimat Teuing Cai Jamjam” 
karangan Yus Rusyana dina Bagian C. Alus lamun aya nu nyontoan 
nembangkeun éta guguritan sapada atawa dua pada. 
12 
Sabadana, murid dibagi jadi 5 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab 
pertanyaan dina Pancén 2. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 
1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. 
Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok 
néangan batur ti kelompok anu béda nepi ka kawangun kelompok 
anyar keur nyusun jawaban anu lengkep ti nomer 1 nepi ka 5. Nepi 
ka ahirna sakabéh murid meunang pamahaman anu gembleng kana 
sakabéh pertanyaan jeung jawaban sakumaha anu diperedih dina 
Pancen 2. 
13 
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota 
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. 
14 
Guru nugaskeun ka unggal kelompok pikeun nepikeun hasil laporan 
diskusina, anu tuluy disaruakeun jeung jawaban kelompok séjén. Salila 
ngabandungan laporan murid, guru ngarangkum unggal jawaban dina 
matrik keur jadi dasar dina nyindekkeun hasil diskusi. 
15 Guru nyindekkeun hasil diskusi. 
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan 
No Kagiatan 
16 
Dina ieu bagian guru nugaskeun murid sacara individual pikeun 
nyobaan ngarang gugritan maké daya ciptana sorangan sarta éta hasil 
karanganana dicobaan pikeun ditembangkeun luyu jeung pupuh anu 
digunakeunana. 
9 
Bab 
I I 
Pituduh Husus 
Dina ieu bab didadarkeun léngkah-léngkah pangajaran anu kudu 
dipilampah ku guru dina ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda. Perlu 
dicatet yén ieu wincikan téh minangka tarékah minimal nu kudu dipilampah 
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Dina harti, guru 
dipiharep bisa mekarkeun kalawan rancagé ieu wincikan nepi ka kapanggih 
léngkah-léngkah anu leuwih masagi. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 
2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh 
perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna dipiharep bisa parigel maké basa 
Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda 
katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep anu utama. Keur ngahontal 
éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.
Pa n g a j a r a n 1 
BIANTARA 
10 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
KAGIATAN AWAL 
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta niténan kasang tukang 
jeung kamampuh unggal-unggal muridna dina ngawasa pangajaran basa Sunda. 
Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran réh Pangéran geus ngaanugrahkeun 
basa Sunda ka urang pikeun alat komunikasi sapopoé jeung papada manusa. 
Guru ngajak murid niténan rupa-rupa conto digunakeunana basa dina 
komunikasi sapopoé, boh dina situasi formal atawa teu formal. Dina muka 
pangajaran guru ngajak murid pikeun narékahan paham kana matéri biantara 
ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman biantara, boh nu mangrupa 
rekaman CD/Kasét boh nu mangrupa fi le komputer. Guru ogé bisa ngayakeun 
tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biantara dina basa 
Sunda. 
Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran biantara luyu 
jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana 
baé murid bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntifi kasi struktur 
teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan 
nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan 
ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara, 
sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun 
sora, lentong, jeung wirahma anu merenah. 
KAGIATAN INTI 
A. Maca Téks Biantara 
No Kagiatan 
1 
Murid diwanohkeun kana conto téks biantara, tuluy guru nitah maca 
éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu 
kakandung dina éta téks. Upamana strukturna, masalah nu dibiantarakeun, 
suasanana, jeung dina acara naon éta biantara ditepikeun. 
Bab II 59 
PITUDUH HUSUS 
5 
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota 
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. 
6 
Guru nugaskeun murid pikeun nyusun laporan kelompok, nyaéta 
nyusun jawaban dina Pancén 1 kalawan tartib ti nomer hiji nepi ka 
nomer 8. Sabadana, juru catur ti unggal kelompok nepikeun hasil 
laporan kelompokna. Jawaban ti unggal kelompok ku guru dirangkum 
dina tabél matrikulasi pikeun jadi dasar dina nyusun kacindekan diskusi. 
Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa 
mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng 
(dikoréksi). 
7 
Guru nyindekkeun hasil diskusi. Hasil kacindekan kudu difokuskeun 
kana hal-hal ieu di handap: 
- Puisi guguritan boga patokan anu mandiri, luyu jeung patokan 
pupuh nu digunakeunana. Ngawengku patokan pada jeung 
padalisan (guru wilangan), patokan sora tungtung padalisan (guru 
lagu), jeung patokan sipat pupuh nu digunakeun. 
- Hiji guguritan biasana dikarang dina hiji pupuh, henteu dina 
rupa-rupa pupuh siga dina wawacan. 
- Eusi puisi guguritan biasana nepikeun gagasan, pikiran, atawa rasa, 
ti batan ngadadarkeun hiji perkara nu sipatna prosais. 
- Minangka puisi heubeul, guguritan biasana dikarang keur 
ditembangkeun, lain bacaeun di jero haté. Munasabah lamun réa 
guguritan ngahaja dikarang keur kaperluan pagelaran tembang 
(Cianjuran). Sanajan kitu, réa ogé kiwari guguritan ngahaja 
dikarang keur muatkeuneun di media massa atawa diterbitkeun 
mangrupa buku. 
B. Mikawanoh Puisi Guguritan 
No Kagiatan 
8 
Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana 
pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana 
usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara guguritan. Dina ieu 
bagian, aya hadéna guru mawa réa conto guguritan, boh nu mangrupa 
rekaman, buku, kliping koran, jeung sajabana. 
9 
Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran 
dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero 
haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun 
pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti.
Tahap I Tahap I 
58 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Tahap II 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
KAGIATAN INTI 
A. Maca Teks Guguritan 
No Kagiatan 
1 
Murid diwanohkeun kana conto karangan guguritan nu judulna 
“Asih Indung” karangan Resmiati. Saméméh dibaca alusna murid sina 
niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan pada jeung 
padalisanana, kumaha basana, judulna, jeung sajabana 
2 
Murid tuluy disina maca éta guguritan di jero haté kalawan daria. 
Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati 
dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid 
kudu disusun mangrupa glosarium anu engkéna kudu ditéangan 
hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur 
ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. 
3 
Sabada bérés maca guguritan “Asih Indung” di jero haté, guru nyontoan 
atawa nugaskeun salah saurang murid nembangkeun éta guguritan ku 
pupuh Kinanti. 
4. 
Sabadana, murid dibagi jadi 8 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab 
pertanyaan dina Pancén 1. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 
1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. 
Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, 
anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka 
tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana 
ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar 
dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 
8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. 
Mun digambarkeun posésna siga ieu di handap: 
KELOMPOK 1 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 1) 
KELOMPOK 2 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 2) 
KELOMPOK 3 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 3) 
KELOMPOK 4 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 4) 
KELOMPOK 5 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 5) 
KELOMPOK 6 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 6) 
KELOMPOK 7 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 7) 
KELOMPOK 8 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 8) 
KELOMPOK ANYAR 
(Hiji wakil ti kelompok 
nu dalapan ngahiji 
ngawangun kelompok 
anyar keur nyusun 
jawaban pertanyaan 1 
nepi ka pertanyaan 
nomer 8) 
Bab II 11 
PITUDUH HUSUS 
2 
Guru ngabagi murid jadi opat kelompok pikeun ngadiskusikeun téks 
biantara. Tugasna: 
1) Kelompok I ngaanalisis struktur téks biantara ka-1. 
Alat analisisna bisa ditingali dina pertanyaan nomer hiji dina 
pancén ka-1 buku murid. Contona: 
Bagian Bubuka 
Paragraf ka …. 
Paragraf ka …. 
Jst 
Bagian Eusi 
Paragraf ka …. 
Paragraf ka …. 
Jst 
Bagian panutup 
Paragraf ka …. 
Paragraf ka …. 
Jst 
2) Kelompok II ngaanalisis masalah nu ditepikeun ku nu biantara. 
Dina ngaanalisis masalah nu kakandung dina biantara, murid 
kudu nandaan (nyirian) kalimah-kalimah konci anu ngadeudeul 
kana masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Kelompok tuluy 
nyusun laporan diskusina ku cara nyusun karangan pondok anu 
ngadadarkeun “masalah poko” nu jadi bukur catur nu biantara. 
3) Kelompok III ngaanalisis biantara tina jihad suasana anu mungkin 
timbul waktu éta biantara ditepikeun. Upamana, tina masalah nu 
ditepikeun ku nu biantara, katémbong sumanget nu biantara nu 
hayang ngagedurkeun sumanget hadirin keur merangan narkoba. 
Minangka laporan kelompok, murid kudu nyusun karangan 
pondok anu ngadadarkeun “suasana” nu bisa dittimbulkeun waktu 
éta biantara ditepikeun. 
4) Kelompok IV ngaanalisis biantara tina jihad ka saha éta biantara 
pantesna ditepikeun. Upamana baé ka murid, ka para pamuda, 
ka masarakat réa, atawa ka kelompok-kelompok anu tangtu. 
Dina nangtukeun saha-sahana anu bisa jadi “obyék” éta biantara, 
kelompok kudu nepikeun ogé alesan-alesan ku naon éta “obyek” 
merenah keur ngabandungan éta biantara.
Sabada réngsé migawé tugasna séwang-séwangan, unggal kelompok 
ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna di hareupeun balaréa. Nalika 
hiji kelompok ngalapokeun hasil analisisna, kelompok séjénna bisa 
mairan. 
4 Guru nyindekkeun hasil diskusi kelompok. 
B. Nyangkem Struktur Biantara 
No Kagiatan 
12 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
5 
Sabada ngalaksanakeun kagiatan maca téks jeung ngadiskusikeun téks 
biantara jeung rupaning aspékna. Guru méré pancén ka murid pikeun 
neuleuman pedaran nu aya dina bagian B (Nyangkem Struktur Biantara). 
Sacara individual murid dibéré pancén ngaasosiasikeun atawa nganalar 
rupaning pangaweruh nu kacangkem dina kagiatan diskusi kelompok 
jeung pangaweruh ngeunaan struktur biantara dina bagian pedaran. 
C. Neuleuman Padika Biantara 
No Kagiatan 
6 
Guru ogé méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran dina 
bagian C (Neuleuman Padika Biantara). Dina ieu bagian, guru leuwih 
museurkeun panitén murid kana kumaha cara nepikeun biantara anu 
hadé. Hal ieu dilakonan pikeun méré pangaweruh ka murid ngeunaan 
téhnik biantara anu hadé. 
7 
Saméméh nepikeun padika “TAMAN” sakumaha anu dipedar dina 
bagian C, aya hadéna guru méré conto biantara mangrupa rekaman 
atawa vidéo. Upamana biantara salah saurang inohong anu kawentar 
alus dina nepikeun biantara di hareupeun balaréa (publik), boh dina 
basa Sunda boh dina basa séjén. 
8 
Sabada rekaman atawa conto biantara diwanohkeun ka murid, guru 
tuluy ngajak murid ngaanalisis éta biantara maké unsur “TAMAN” 
(tatag henteu nyaritana, aktual henteu témana, munel henteu eusina, 
alus henteu basana, jeung naha biantarana téh ngandung wirahma atawa 
henteu). Dina ieu kagiatan, murid bisa dibagi jadi lima kelompok anu 
masing-masingna ngaanalisis salah sahiji unsur “TAMAN”. Leuwih 
réa conto anu diwanohkeun bakal leuwih variatif jeung leuwih hadé. 
Bab II 57 
PITUDUH HUSUS 
Pa n g a j a r a n 8 
GUGURITAN 
KAGIATAN AWAL 
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu 
patali jeung guguritan. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh 
geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa 
dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Dina wangun tinulis, 
basa Sunda dimangpaatkeun ku para bujangga atawa pangarang keur ngarang 
guguritan, nu geus lumangsung ti abad ka-19 kénéh. 
Di awal pangajaran guru ngayakeun apersepsi atawa ngagali kamampuh awal 
murid patali jeung guguritan. Upamana ku nembangkeun sawatara guguritan nu 
maké pupuh anu populér. Upamana Kinanti, Sinom, Asmarandana, atawa Pucung. 
Contona baé guguritan “Éling-éling mangka éling”, atawa “Budak Leutik bisa 
ngapung”. Tuluy diayakeun tanya jawab, contona: “naha hidep kungsi ngadéngé 
éta guguritan? Di mana? Jeung sajabana. Alus upama tuluy nugaskaeun ka salah 
saurang murid pikeun nembangkeun éta guguritan di hareupeun kelas. 
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri guguritan 
ku cara némbongkeun sawatara rekaman, buku, atawa kliping koran/majalah 
nu kungsi wangun guguritan. Ditarékahan sangkan minat murid keur ngulik 
guguritan leuwih gedé tur timbul kapanasaranana pikeun hayang nyaho leuwih 
jero. 
Guru nepikeun tujuan pangajaran guguritan luyu jeung pamaredih 
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa 
nyebutkeun ciri-ciri wangun puisi guguritan, bisa nataan pupuh nu dipaké keur 
nuliskeun guguitan sarta padika-padikana, bisa nembangkeun conto guguritan 
nu ngagunakeun pupuh nu populér, sarta bisa ngarang puisi guguritan dina 
wangun nu basajaran luyu jeung padika pupuh nu dipakéna.
56 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
37 
Guru ogé bisa ngembangkeun modél pangajaran kolaboratif, nyaéta 
murid bisa silih babagi informasi, silih koréksi, atawa silih bantuan 
dina ngembangkeun hiji carita. 
38 
Hasil pagawéan murid tuluy dikoréksi sarta dipeunteun ku guru, anu 
tuluy disusun jadi portofolio. 
39 
Karya murid anu dianggap punjul bisa dipamérkeun ku guru, atawa 
di salurkeun pikeun bisa dimuat di média massa, dina raraga méré 
motivasi ka murid sangkan leuwih sumanget diajar. 
KAGIATAN PANUTUP 
Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun 
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina 
pangajaran carita pondok? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? 
Naha carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung 
kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. 
Guru méré saran sangkan murid resep maca carita pondok minangka bagian 
tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta 
carita. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa 
kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu 
ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara carita pondok 
dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. 
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran 
réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara carita pondok Sunda, jeung geus 
bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas 
(karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta. 
Bab II 13 
PITUDUH HUSUS 
9 
Sabada ngaanalisis conto biantara ku unsur “TAMAN”, guru méré 
pancén ka salah sahiji atawa dua urang murid pikeun ngagalantangkeun 
conto téks biantara nu aya dina bagian A. Dina ngagalantangkeun 
biantara, murid diperedih ngagunakeun unsur “TAMAN” téa sacara 
kréatif. Téks nu dibacakeunana teu kudu kabéh, tapi bisa dicokot 
lebah bagian-bagian anu pentingna baé. Ka murid anu geus nyobaan 
ngagalantangkeun éta biantara, guru méré aprésiasi anu hadé. 
D. Ngaanalisis Téks Biantara 
No Kagiatan 
10 
Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham perkara 
struktur jeung padika biantara. Sabada ngaanalisis struktur biantara 
dina Bagian B jeung ngaanalisis padika biantara dina bagian C, dina 
ieu sub-bab guru ngajak murid ngaanalisis hiji téks biantara kalawan 
kompréhénsip minangka latihan pikeun leuwih mikapaham dua aspék 
di luhur. Téks nu aya dina ieu sub-bab ngan keur conto baé. Guru 
atawa murid bisa néangan téks séjén nu sumberna tina réferénsi séjén 
(buku atawa internét) keur bahan analisis. 
11 
Guru ngabagi murid jadi opat atawa lima kelompok. Unggal kelompok 
dibéré tugas nu sarua, nyaéta nganalisis téks biantara ku cara ngajawab 
pertanyaan-pertanyaan nu aya dina buku murid (pancén 3 jeung 
pancén 4). 
12 
Guru méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu 
kurang kaharti. 
13 
Hasil analisis kelompok dilaporkeun kalawan susunan anu tartib, 
ngawengku: 
a. Téks biantarana atawa rekaman CD/Kasét. 
b. Jawaban pertanyaan kahiji ngeunaan struktur biantara. Dina 
ngajawab pertanyaan kahiji, murid bisa ngagunakeun tabel: 
Bubuka 
• Conto téks …………………………………........ 
• Conto paragraf …………………………………. 
• Conto omongan ………………………………....
Eusi 
14 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
• Conto téks ……………………………………… 
• Conto paragraf ………………………………… 
• Conto omongan ……………………………….. 
Panutup 
• Conto téks ……………………………………… 
• Conto paragraf ………………………………… 
• Conto omongan ……………………………….. 
c. Jawaban pertannyaan kadua nu mangrupa glosarium (daftar kecap 
jeung hartina). 
d. Jawaban pertanyaan katilu ngeunaan cara ngagalantangkeun éta 
biantara. Eusina nyaéta hasil tafsiran murid kumaha hadéna éta 
biantara ditepikeun. 
14 
Hasil analisis murid ku masing-masing kelompok dilaporkeun ka guru 
sarta ku guru dipeunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. Hasil 
évaluasina dilaporkeun deui ka murid sarta guru ngayakeun réfl éksi 
patali jeung hasil analisis murid. 
E. Nepikeun Biantara 
No Kagiatan 
15 
Dina ieu kagiatan murid latihan biantara anu prosésna dimimitian 
ku nyusun téks biantara sorangan nepi ka ngagalantangkeunana di 
hareupeun kelas. 
16 
Guru méré apersépsi ku cara ngélingan murid kana pangajaran nu geus 
ditepikeun saméméhna, utamana perkara kumaha nepikeun biantara 
anu hadé nu geus dibahas dina sub-bab “Padika Biantara” (bagian C). 
Guru ogé bisa méré deui conto rékaman CD atawa kasét nu biantara 
keur méré wawasan ka murid dina nepikeun biantarana. 
17 
Guru muka kasempetan ka murid pikeun ngayakeun tanya jawab patali 
jeung hal-hal nu can ngarti atawa can dipikapaham. 
18 
Guru méré pancén ka murid (Pancén 5) ngeunaan léngkah-léngkah 
nepikeun biantara, nyaéta: 
a. Milih topik. 
b. Nyusun téks jeung ngapalkeun téks. 
c. Ngéstokeun unsur-unsur TAMAN. 
d. Nepikeun biantara di hareupeunn kelas. 
Bab II 55 
PITUDUH HUSUS 
27 
Hasil analisis bisa didadarkeun mangrupa éséy pondok. Anu susunanana 
bisa kieu: 
Paragraf 1 Æ nerangkeun téma carpon. 
Paragraf 2 Æ ngadadarkeun para palaku jeung pasipatanana. 
Paragraf 3 Æ ngadadarkeun latarna, jeung saterusna. 
28 
Murid tuluy maca carpon “Ada Main” karangan Darpan kalawan gemet 
di jero haté. Upama aya kekecapan nu kurang kaharti, murid dititah 
nyusun éta kekecapan nepi ka jadi glosarium, anu tuluy ditéangan 
hartina dina kamus. 
29 
Murid tuluy ngajawab pertanyaan nu patali jeung unsur carita 
minangka bahan keur nyusun éséy. 
30 
Murid sacara individual nyusun éséy dumasar kana jawaban atawa hasil 
analisisna. Dina nyusun éséy, murid diwawadian pikeun ngagunakeun 
basa Sunda anu merenah sarta ngéstokeun cara ngagunakeun éjahan 
jeung tanda baca anu bener. 
31 
Murid ngumpulkeun pancaénna sarta guru nyusun éta pancén jadi 
portofolio. 
G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini 
No Kagiatan 
32 
Dina ieu bagian, murid ditugaskeun pikeun ngarang carpon atawa 
fi ksimini kalawan ngagunakeun daya ciptana sorangan. 
34 
Saméméhna guru méré bekel aprésiasi ku cara mulangkeun deui 
ingetan murid kana carpon nu kungsi dibaca dina bagian saméméhna, 
jeung rupaning pangaweruh ngeunaan carpon atawa fi ksimini tina 
hasil diskusi. 
35 
Guru tuluy nugaskeun murid pikeun maca kalawan gemet dadaran 
dina Pancén 5. Guru ogé méré kasempetan ka murid pikeun nepikeun 
pertanyaan saupama aya hal-hal anu kurang kaharti. 
36 
Murid sacara individual dibéré kasempetan jeung kabbébéasan pikeun 
ngarang hiji carita pondok atawa fi ksimini sakumaha pamaredih Pancén 
5. Aya hadéna lamun guru ngabébaskeun muridna pikeun néangan 
inspirasi sacara laluasa, upamana nitah murid kaluar ti kelas sarta 
niténan alam sabudeureun. Ti dinya, bisa jadi aya bahan anu katangkep 
ku pancaindra murid pikeun ditimbang-timbang jadi bahan carita.
54 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
22 
Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: 
KELOMPOK 1 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 1) 
KELOMPOK 2 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 2) 
KELOMPOK 3 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 3) 
KELOMPOK 4 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 4) 
KELOMPOK ANYAR 
(Hiji wakil ti kelompok 
nu opat ngahiji 
ngawangun kelompok 
anyar keur nyusun 
jawaban pertanyaan 1 
nepi ka pertanyaan 
nomer 4) 
23 
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota 
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok 
anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur 
nepikeun jawaban di hareupeun kelas. 
24 
Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun 
hasil diskusi kelompokna. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, 
kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya 
nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 
25 
Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru 
nyindekkeun hasil diskusi. 
F. Ngaanalisis Carpon 
No Kagiatan 
26 
Guru nerangkeun heula pancén naon nu kudu dipigawé ku murid 
sacara individual dina sub-bab F (Ngaanalisis Carpon). 
Murid disina maca carpon “Ada Main” dijero haté kalawan gemet, 
sarta tuluy dititah ngaanlasis unsur-unsur caritana. Cara ngaanalisisna 
bisa ngagunakeun analisis carpon “Kuburan” di bagian awal bab. 
Nyaéta, murid nyusun pertanyaan-pertanyaan nu patali jeung unsur 
carita. Upamana: 
- Naon téma caritana? 
- Saha waé palaku nu kacatur dina éta carita jeung kumaha 
pasipatanana? 
- Di mana latar tempatna jeung iraha latar waktuna? 
- Maké tilikan (point of view) saha éta carita dilalakonkeunana? 
- Kumaga galur caritana? 
- Naon amanat nu bisa kapetik sabada urang maca éta carita? 
Bab II 15 
PITUDUH HUSUS 
19 
Sangkan sakabéh murid kabagéan nepikeun biantara di kelas, aya hal-hal 
anu kudu dititénan ku guru. Di antarana baé: 
a. Téks biantara murid kudu difokuskeun kana eusina, sedengkeun 
bubuka (mukadimah) jeung panutupna bisa saperluna baé. 
b. Durasi biantara murid ulah lila teuing (cukup 2-3 menit). 
c. Lantaran biantara téh “art of speech”, kalimah-kalimah biantara 
nu disusun ku murid kudu réa direumbeuy ku mamanis basa 
(upamana diselapan ku sisindiran, kalimah-kalimah pinilih/”kata-kata 
mutiara”, babasan jeung paribasa, jsb.). 
Dina ieu prosés guru sacara aktif jadi fasilitator ku cara méré bahan, 
méré référénsi, atawa méré saran sangkan téks biantara nu dikarang ku 
murid munel eusina. 
20 
Guru ngadesain ruangan kelas sangkan waktuna murid biantara 
enya-enya siga nyanghareupan publik/jalma réa. Upamana ku cara 
nempatkeun podium di hareupeun kelas keur tempat biantara murid. 
Podium bisa dijieun atawa dirékayasa tina barang-barang anu basajan. 
Bisa ogé nyadiakeun mic (boh enyaan lengkep jeung spikerna, boh 
ukur bobohongan). 
21 
Murid nepikeun biantarana saurang-saurang kalawan ngéstokeun 
unsur “TAMAN” sarta nitah murid nu ngabandungan méré réspon 
anu positif, upamana ku cara méré keprok. Dina ieu prosés Guru méré 
peunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. 
KAGIATAN PANUTUP 
Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun 
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina 
pangajaran biantara, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung 
sajabana. 
Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham 
perkara biantara. Contona nitenan rupa-rupa cara tokoh biantara, siga nu sok 
katongton dina televisi atawa kasaksian dina hiji acara/kagiatan, tuluy dibanding-banding 
jeung pangaweruh nu geus kacangkem ku dirina. 
Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh 
geus meunang rupa-rupa élmu perkara biantara dina basa Sunda.
Pa n g a j a r a n 2 
PAGUNEMAN 
16 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
KAGIATAN AWAL 
Dina awal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran 
paguneman. Guru ogé bisa ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus 
bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina 
kahirupan sapopoé. Guru umajak sangkan dina ngayakeun komunikasi téh ulah 
urang poho kana tatakrama minangka wujud tina silih hargaan papada jalma. 
Dina lawungan mimiti guru ngajak murid paguneman ngeunaan hiji perkara 
anu keur aktual sarta paguneman dipungkas ku guru ku nepikeun “pernyataan” 
yén éta téh conto paguneman nu biasa dilakonan ku urang dina kahirupan 
sapopoé. Ti dinya guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri 
paguneman ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman paguneman. 
Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid 
perkara paguneman dina basa Sunda. 
Guru nepikeun tujuan pangajaran paguneman luyu jeung pamaredih 
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid 
mikawanoh wangun-wangun téks paguneman, bisa ngaanalsis aspék-aspék 
kabasaan paguneman dina rupa-rupa situasi, bisa mikapaham aspék-aspék undak-usuk 
basa Sunda nu nyampak dina paguneman, bisa nyusun téks paguneman 
sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, sarta bisa mintonkeun 
paguneman di hareupeun kelas. 
KAGIATAN INTI 
A. Maca Téks Paguneman 
No Kagiatan 
1 
Murid diwanohkeun kana dua conto téks paguneman. Murid 
dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina 
ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa 
nu digunakeunana, bentuk pagunemanana, para palaku pagunemanana, 
jeung sajaba ti éta. 
Bab II 53 
PITUDUH HUSUS 
16 
Dina proses diskusi guru nyadiakeun tabél matrikulasi (bisa digambar 
dina bor atawa dina média séjén). Guru tuluy nanya atawa nunjuk 
sacara acak murid ti unggal kelompok pikeun nepikeun hasil 
pagawéanana. Jawaban ti murid bisa didiskusikeun deui jeung nu séjén 
nepi ka kapanggih jawaban nu leuwih lengkep (sampurna). Guru 
bisa ngalelempeng mun aya nu kudu dikoréksi. Hasil jawaban murid 
diasupkeun kana tabél matrikulasi keur dipaké dasar dina nyieun 
kacindekan diskusi. 
17 Guru nyindekkeun hasil diskusi. 
E. Fiksimini Sunda 
No Kagiatan 
18 
Guru nitah murid maca pedaran awal bagian E (Fiksimini Sunda) 
kalawan gemet, sarta maca conto-conto fi ksimini Sunda karangan 
Hadi AKS nu judulna “Lebaran Ahéng”. Guru bisa ogé néangan conto 
fi ksimini séjén anu dianggap leuwih luyu jeung kaayaan lingkungan 
murid. Hadéna disadiakeun kamus Basa Sunda bisi aya kekecapan nu 
kurang kaharti ku murid. 
19 
Guru bisa ogé nyontokeun cara maca fi ksimini bari digalantangkeun, 
atawa nitah murid nu boga kamampuh maca bedas anu alus. Ieu 
tarékah téh keur ngahégar-hégar suasana pangajaran, atawa minangka 
selingan sangkan kagiatan diajar leuwih dinamis. 
20 
Sabadana, murid dibagi jadi 4 kelompok sarta unggal kelompok murid 
disina néangan jawaban tina 4 pertanyaan nu nyampak dina Pancén 
3. Hiji kelompok kudu ngajawab hiji pertanyaan kalawan daria 
ngaliwatan prosés diskusi. 
21 
Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator atawa jadi sumber 
informasi upama dibutuhkeun. 
Guru bisa ngagunakeun model pangajaran anu dinamis. Upamana, 
sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok 
néangan batur ti kelompok anu béda, nepi ka kawangun kelompok 
anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 
4. Di kelompok anyar bakal nyampak opat jawaban murid.
C. Kamekaran Carpon 
No Kagiatan 
52 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
11 
Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian C (sub-bab 
Kamekaran Carpon) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian 
kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta 
kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan 
hartina dina kamus. 
12 
Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak 
dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking 
dina diskusi saméméhna. Sacara Individual, murid ogé bisa ditugaskeun 
néangan informasi perkara buku-buku kumpulan carpon Sunda, 
pangarangna, sarta taun terbitna, dina raraga ngajembaran pangaweruh 
ngeunaan kamekaran carpon Sunda. 
13 
Minangka alternatif, murid ditugaskeun keur néangan hiji carita 
pondok anu alus ajénna, néangan biografi jeung poto pangarangna, 
sarta didesain sangkan bisa ditémpélkeun atawa diwanohkeun ka nu 
lian. Alusna mah dipilih pangarang anu mémang geus moyan sarta 
karyana pinunjul. Guru tuluy milih sawatara hasil pagawéan muridd 
pikeun “dipamérkeun” di ruang kelas, minangka tarékah ngawanohkeun 
karya sastra Sunda jeung pangarangna. 
D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng 
No Kagiatan 
14 
Guru ngabagi murid jadi genep atawa tujuh dalapan pikeun migawé 
pancen 2 dina bagian D, nyaéta néangan bébédaan antara carita pondok 
jeung carita dongéng. Murid diaping ku guru pikeun manggihan éta 
bébédaan dina prosés diskusi. 
15 
Guru nerangkeun tugas masing-masing kelompok. Unggal kelompok 
ditugaskeun keur néangan bebedaan antara carita pondok jeung carita 
dongéng. Lembar kerjana bisa ngagunakeun tabél dina Pancen 2. 
Dina ieu diskusi, murid ngalengkepan titik-titik dina tabél. Sabada 
réngsé diskusi di kelompokna, murid néangan pasangan kelompok 
séjén pikeun ngabanding-banding hasil diskusina, nepi ka kawangun 
kelompok-kelompok anyar nu mangrupa gabungan tina kelompok 
awal (3 atawa 4 kelompok). 
2 Murid ngabanding-banding téks paguneman kahiji jeung kadua. 
Bab II 17 
PITUDUH HUSUS 
3 
Murid dibagi kana opat atawa lima kelompok, anu tugas unggal 
kelompokna nyaéta ngajawab pertanyaan nu aya dina pancen 1. 
4 
Murid ngayakeun diskusi kelompok keur ngajawab pertanyaan dina 
pancen 1. 
5 
Sabada diskusi, unggal kelompok nu diwakilan ku juru caturna 
séwang-sewangan nepikeun laporan hasil diskusi. Guru nyindekkeun 
unggal jawaban kelompok nomer per nomer nepi ka aya jawaban anu 
pertéla tina unggal pertanyaan. Hadéna guru geus nyadiakeun tabel 
pancén 1 ti anggalna dina fi le komputer atawa dina bor sangkan 
unggal jawaban kelompok langsung katémbong sarta langsung bisa 
dibanding-banding. 
B. Ngaanalisis Paguneman 
No Kagiatan 
6 
Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab 
nganalisis paguneman). Murid ngaasosiasikeun jawaban dina diskusi 
kelompok nu geus dibahas ku guru jeung rupaning informasi nu 
nyampak dina bagian B. 
7 
Sabadana, guru méré pedaran singket ngeunaan paguneman ku cara 
museurkeun pedaran kana dua masalah inti, nyaéta situasi resmi 
jeung teu resmi dina paguneman sarta undak-usuk basa dina 
paguneman. Éta dua masalah dina paguneman téh boga implikasi 
séwang-séwangan tur kudu jadi perhatian keur nu ngalaksanakeun 
paguneman. 
8 
Patali jeung undak-usuk basa dina paguneman – anu ogé disebut 
tatakrama basa – guru méré pancén ka murid pikeun ngimeutan 
kecap-kecap loma jeung lemes dina téks paguneman kahiji, lantaran 
di dinya nyampak kecap-kecap lemes (boh lemes keur sorangan boh 
lemes keur ka batur) nu dipaké ku palaku paguneman. Sacara individual 
murid sina maluruh kekecapan lemes dina éta paguneman, tur hasilna 
didiskusikeun (diakurkeun) jeung hasil analisis babaturanana (tingali 
Pancén 2).
18 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
9 
Guru nyindekkeun pedaran yén saéstuna paguneman urang sapopoé 
téh henteu leupas tina dua aspék, nyaéta aspék formal henteuna, jeung 
aspék tatakrama. 
C. Paguneman dina Karya Sastra 
No Kagiatan 
10 
Saéstuna sub-bab C leuwih neueulkeun dadaran paguneman nu aya 
patalina jeung aprésiasi karya sastra, boh prosa, puisi, jeung drama. Ku 
hal, éta pedaran paguneman dina ieu bagian mah ngala wangunna 
wungkul, sedengkeun pedaranana bisa dipatalikeun atawa dijembaran 
kana soal-soal aprésiasi sastra. 
11 
Aya tilu paguneman dina ieu bagian, nyaéta paguneman dina prosa, dina 
puisi, jeung dina drama, lengkep jeung pancénna séwang-séwangan. 
Éta tilu bahan téh keur diskusikeuneun murid. 
12 
Guru ngadadarkeun pancén anu kudu dipigawé ku murid. Saméméhna, 
sakabéh murid kudu maca heula tilu conto paguneman nu nyampak 
dina buku. 
13 
Dina prakna ngaanalisis paguneman dina karya sastra, guru ngabagi 
kelompok murid jadi genep kelompok. Dua kelompok ngadiskusikeun 
paguneman dina prosa, dua kelompok ngadiskusikeun paguneman 
dina puisi, sarta dua kelompok deui ngadiskusikeun paguneman dina 
drama. Dua kelompok anu bahan diskusina sarua sina diskusi séwang-séwangan 
heula dina kelompokna masing-masing. Alat analisisna 
nyaéta pancen 3, pancén 4, jeung pancén 5. 
a. Pancén 3 (keur kelompok 1 jeung 2) ngarobah kalimah-kalimah 
langsung dina téks jadi bentuk paguneman tanya jawab. 
b. Pancén 4 (keur kelompok 3 jeung 4) nyieun parafrase tina puisi 
kana bentuk prosa. 
c. Ngaanalsis onjoyna (atawa kaunikanana) paguneman dina drama 
jeung nangtukeun tujuan ditulisna téks drama. 
14 
Sabada unggal kelompok réngsé migawé pancénna, kelompok 1 jeung 
2 ngagabung keur ngabanding-banding hasil pagawéanana séwang-séwangan 
nepi ka aya persépsi anu sarua. Dina ieu rposés, lumangsung 
deui diskusi dua kelompok. Kitu deui kelompok 3 jeung 4, sarta 
kelompok 5 jeung 6, migawé diskusi anu sarua keur nyaruakeun 
persépsi. 
Bab II 51 
PITUDUH HUSUS 
4 
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota 
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok 
anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur 
nepikeun jawaban di hareupeun kelas. 
5 
Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun 
hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung 
jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat 
kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban 
dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun 
jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua 
atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 
6 
Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru 
nyindekkeun hasil diskusi. 
B. Unsur-unsur Carita Pondok 
No Kagiatan 
7 
Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana 
pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana 
struktur carita pondok nu ngawengku Jejer (téma), palaku, latar 
(setting), puseur sawangan (point of view), galur carita (plot), jeung 
amanat carita. 
8 
Sangkan aya dinamika, guru bisa ngabagi-bagi deui pedaran dina bagian 
B luyu jeung kelompok-kelompok diskusi saméméhna. Upamana 
kelompok 1 nu ngajawab pertanyaan nomer 1 sina ngaderes pedaran 
bagian (a), kelompok 2 ngaderes bagian (b), jeung saterusna. 
9 
Sabada ngaderes pedaran, unggal kelompok nepikeun pamadeganana 
atawa kacindekan kelompokna ngeunaan bagian-bagian struktur 
carpon. Waktu hiji kelompok nepikeun pamadeganana, kelompok 
séjén bisa mairan. Bisa ngalelempeng, nambahan, atawa nepikeun 
pertanyaan. 
10 
Upama diperlukeun, guru méré apingan atawa nambahan katerangan 
tina hasil diskusi murid, sarta antukna nyindekkeun hasil diskusi sacara 
umum.
Tahap I Tahap I 
50 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Tahap II 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
KAGIATAN INTI 
A. Maca Carita Pondok 
No Kagiatan 
1 
Murid diwanohkeun kana conto karangan carita pondok nu judulna 
“Kuburan” karangan Trisna Mansur. Saméméh dibaca alusna murid 
sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan panjang 
pondokna karangan. Kumaha kalimah mimitina, kumaha judulna, 
jeung sajabana 
2 
Murid tuluy disina maca éta carpon di jero haté kalawan daria. 
Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu 
pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku 
murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan 
hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur 
ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. 
3 
Sabada bérés maca carpon “Kuburan”, murid dibagi jadi sawatara 
kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. 
Jumlah kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun 
jadi 8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok 
kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi 
di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota 
kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, 
nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota 
kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén 
pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di 
kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. 
Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: 
KELOMPOK 1 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 1) 
KELOMPOK 2 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 2) 
KELOMPOK 3 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 3) 
KELOMPOK 4 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 4) 
KELOMPOK 5 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 5) 
KELOMPOK 6 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 6) 
KELOMPOK 7 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 7) 
KELOMPOK 8 
(Ngajawab 
pertannyaan 
nomer 8) 
KELOMPOK ANYAR 
(Hiji wakil ti kelompok 
nu dalapan ngahiji 
ngawangun kelompok 
anyar keur nyusun 
jawaban pertanyaan 1 
nepi ka pertanyaan 
nomer 8) 
Sabadana, guru nunjuk wawakil ti kelompok 1 jeung 2, 3 jeung 4, sarta 
5 jeung 6 pikeun nepikeun présentasi hasil diskusi. Unggal kelompok 
bisa silih pairan. 
Hasil diskusi anu dipiharep kira-kira kieu: 
a. Prosa: 
Édo : Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!: 
Samsu : Iraha ka dieu, Jang? 
Suganda : Tadi, nyubuh. 
Samsu : Geuning kamari teu béja-béja? 
Bab II 19 
PITUDUH HUSUS 
(Suganda teu némbal) 
Samsu : Teu ka sakola? 
Suganda : Permios sadinten ieu. 
Samsu : Aya naon? 
Suganda : Badé diparios dokter. 
Samsu : Ku naon, gering? 
Suganda : Badé diala getih. 
Samsu : Diala getih? Naha? 
Suganda : Kanggo .... 
Samsu : Keur Enéng? 
(Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkeun, nyekel taktak 
Suganda. Teu lemek teu nyarék. Ngan socana baé baseuh) 
Édo : Teu nyeri Jang, diala getih téh? 
Suganda : Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa. 
Édo : Naha nya, maké dipariksa heula sagala...? 
Suganda : Bisi teu aakur kapan? 
Édo : Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua 
getih jelema téh? (bari ngarérét ka Bapa Naib). 
Suganda : Bisi teu akur golonganana... Pan aya golongan A, 
golongan B, golongan... naon deui. 
b. Puisi: 
Aya budak nanya ka indungna perkara eusi langit, di mana 
tungtung langit, jeung nanya soal béntang anu baranang. Ari 
dijawab ku indungna majar téh cenah langit téh teu jauh ti dada 
ema, eusina napas jeung getih. Ari bentang pajarkeun téh teu jauh 
ti Si Ujang. 
Budak téh nanya deui, cenah ari nu boga langit téh saha, kitu 
deui béntang anu baranang, bulan, beurang jeung peutingna, éta téh 
saha nu bogana? Ari jawab indungna, cenah éta kabéh ogé bogana 
Si Ujang, paéhna, hirupna, kabéhanana ogé bogana Si Ujang.
20 Pamekar D 
Diajar BASA SUNDA 
Buku Tut 
Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 
15 
Lamun dihartikeun mah éta puisi téh ngagambarkeun kanyaah 
indung ka budakna. Indungna nganggap sagala nu aya di ieu alam 
dunya téh saolah-olah milik SI Ujang, budak nu dipikanyaahna. 
c. Drama: 
Onjoyna atawa kaunikan éta naskah drama téh di antarana: 
1) Paguneman dibarengan ku rupa-rupa pituduh. Upamana 
pituduh ngeunaan paripolaah palaku. Pituduh keur nyiptakeun 
adegan di panggung, pituduh ka saha omongan ditujulkeun, 
jeung sajabana. 
2) Basa nu digunakeun dina paguneman drama mah diréka, henteu 
sahinasna siga paguneman biasa. Malah sok diciptakeun adegan 
anu dramatis. Contona omongan Tanuwijaya ieu di handap! 
TANUWIJAYA : (KA PURAGABAYA jeung PANATAYUDA) 
Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh. 
Musuh keur kadieukeun. 
3) Para palaku jeung sawatara pituduh dittulis maké hurup 
kapital kabéh. Saolah-olah hayang tétéla jeung méré akséntuasi 
(penegasan). 
Biasana téks drama mah ditulis keur dipanggungkeun. Ku sabab éta, 
pagunemana ditulis kalawan diréka sangkan engké mun dipanggungkeun 
matak kataji anu nongton. 
16 
Guru nyindekkeun pangajaran yén wangun-wangun paguneman téh bisa 
kapanggih dina rupa-rupa bentuk jeung keur rupa-rupa kaperluan. Dina 
karya sastra bentuk-bentuk paguneman téh bisa kapanggih dina prosa, 
puisi, jeung drama, anu ditulis ku pangarang keur rupa-rupa tujuan. 
17 
Guru méré saran ka murid sangkan macaan deui paguneman dina 
karya sastra anu nyampak dina buku atawa karya sastra séjén di luar 
conto buku téks. Tujuanana, sangkan murid leuwih paham kana 
wangun paguneman dina karya sastra sarta pikeun milu ngaaprésiasi 
karya sastra Sunda nu winangun prosa, puisi, jeung drama. 
D. Nyusun Téks aguneman 
No Kagiatan 
18 
Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham kumaha 
nyusun dialog atawa paguneman dina wangun tinulis. Wangun paguneman 
siga kitu téh sok kapanggih dina karangan-karangan prosa, upamana 
dina dongéng, carpon, atawa novel. Nyusun paguneman sarupa kitu téh 
mangpaat pisan lamun urang keur diajar ngarang. Tapi téhnik nyusun 
dialog sarupa kitu téh henteu babari. Butuh latihan anu daria. 
Bab II 49 
PITUDUH HUSUS 
Pa n g a j a r a n 7 
WAWANCARA 
KAGIATAN AWAL 
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu 
patali jeung carita pondok (carpon). Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran 
ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung 
papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. 
Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus dimangpaatkeun 
ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana dipaké keur nuliskeun 
karya sastra samodél wawacan, novel, sajak, atawa carita pondok. Ti dinya guru 
bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid, upamana karangan naon baé nu kungsi 
di bacana, ti mana sumberna, iraha macana, jeung sajabana. Pertanyaan tuluy 
leuwih difokuskeun kana hal-hal nu patali jeung carita pondok. Upamana 
naha kungsi maca carpon, naon judulna, saha pangarangna, ti mana sumberna, 
jeung sajabana. Éta kabéh pertanyaan téh bisa dianggap apersépsi keur ngagali 
kamampuh jeung pangaweruh awal murid ngeunaan wanda karangan carita 
pondok. 
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri carita pondok 
ku cara némbongkeun buku atawa karangan carpon nu kungsi dimuat di rupa-rupa 
média, upamana tina koran, majalah, atawa internét. 
Guru nepikeun tujuan pangajaran carita pondok luyu jeung pamaredih 
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa 
ngabédakeun wangun carpon jeung dongéng atawa carita wayang nu geus diulik 
di bab saméméhna, bisa ngaanalisis struktur carita carpon, mikapaham sajarah 
kamekaran carita pondok Sunda, sarta bisa ngarang carita pondok Sunda dina 
wangun nu basajan.
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10

More Related Content

Viewers also liked

Carita wayang
Carita wayangCarita wayang
Carita wayangadejuve
 
Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016
Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016
Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016Zufar Asyraf Al
 
Sisindiran
SisindiranSisindiran
Sisindiranadejuve
 
KUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
KUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDAKUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
KUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDASyifa Sahaliya
 
Carita pondok
Carita pondokCarita pondok
Carita pondokadejuve
 
Nulis carita pondok [carpon]
Nulis carita pondok [carpon]Nulis carita pondok [carpon]
Nulis carita pondok [carpon]Raidah N. S
 
Conto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa Sahaliya
Conto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa SahaliyaConto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa Sahaliya
Conto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa SahaliyaSyifa Sahaliya
 
Sajak cinta dalam bahasa sunda
Sajak cinta dalam bahasa sundaSajak cinta dalam bahasa sunda
Sajak cinta dalam bahasa sundaYadhi Muqsith
 
Buku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cv
Buku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cvBuku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cv
Buku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cvRedis Manik
 
Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...
Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...
Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...purwantaka
 
TEDx Manchester: AI & The Future of Work
TEDx Manchester: AI & The Future of WorkTEDx Manchester: AI & The Future of Work
TEDx Manchester: AI & The Future of WorkVolker Hirsch
 
Menganalisis unsur instrinsik cerita rakyat
Menganalisis unsur instrinsik cerita rakyatMenganalisis unsur instrinsik cerita rakyat
Menganalisis unsur instrinsik cerita rakyatKurniapeni Rahayu
 
Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)
Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)
Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)adejuve
 

Viewers also liked (20)

Carita wayang
Carita wayangCarita wayang
Carita wayang
 
Carita pondok
Carita pondokCarita pondok
Carita pondok
 
Wayang
WayangWayang
Wayang
 
Wayang
WayangWayang
Wayang
 
Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016
Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016
Bahasa Indonesia Kelas X Kurikulum 2013 Revisi 2016
 
Wayang
WayangWayang
Wayang
 
Carita pondok
Carita pondokCarita pondok
Carita pondok
 
Sisindiran
SisindiranSisindiran
Sisindiran
 
KUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
KUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDAKUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
KUMPULAN CONTOH SISINDIRAN BAHASA SUNDA
 
Carita pondok
Carita pondokCarita pondok
Carita pondok
 
062 bahasa sunda
062 bahasa sunda062 bahasa sunda
062 bahasa sunda
 
Nulis carita pondok [carpon]
Nulis carita pondok [carpon]Nulis carita pondok [carpon]
Nulis carita pondok [carpon]
 
Conto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa Sahaliya
Conto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa SahaliyaConto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa Sahaliya
Conto Paparikan, Rarakitan, sareng Wawangsalan karya Syifa Sahaliya
 
Sajak cinta dalam bahasa sunda
Sajak cinta dalam bahasa sundaSajak cinta dalam bahasa sunda
Sajak cinta dalam bahasa sunda
 
Buku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cv
Buku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cvBuku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cv
Buku sma kurikulum 2013 ~ asaka prima.cv
 
Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...
Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...
Buku pegangan guru bahasa indonesia sma kelas 10 kurikulum 2013 edisi revisi ...
 
TEDx Manchester: AI & The Future of Work
TEDx Manchester: AI & The Future of WorkTEDx Manchester: AI & The Future of Work
TEDx Manchester: AI & The Future of Work
 
Pupuh dan Sisindiran
Pupuh dan SisindiranPupuh dan Sisindiran
Pupuh dan Sisindiran
 
Menganalisis unsur instrinsik cerita rakyat
Menganalisis unsur instrinsik cerita rakyatMenganalisis unsur instrinsik cerita rakyat
Menganalisis unsur instrinsik cerita rakyat
 
Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)
Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)
Diagram Tulang Ikan (Ishikawa)
 

Similar to Buku guru kls 10

Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Cecep Subagja
 
Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Cecep Subagja
 
Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Cecep Subagja
 
BS-SMA-MODUL-H-3.pdf
BS-SMA-MODUL-H-3.pdfBS-SMA-MODUL-H-3.pdf
BS-SMA-MODUL-H-3.pdfAgniaLaksana
 
Modul Sunda 1 kelas 7
Modul Sunda 1 kelas 7Modul Sunda 1 kelas 7
Modul Sunda 1 kelas 7Cecep Subagja
 
Modul Sunda 3 kelas 7
Modul Sunda 3 kelas 7Modul Sunda 3 kelas 7
Modul Sunda 3 kelas 7Cecep Subagja
 
Modul Sunda 2 kelas 7
Modul Sunda 2 kelas 7Modul Sunda 2 kelas 7
Modul Sunda 2 kelas 7Cecep Subagja
 
Modul Sunda 5 kelas 7
Modul Sunda 5 kelas 7Modul Sunda 5 kelas 7
Modul Sunda 5 kelas 7Cecep Subagja
 
Modul Sunda 7 kelas 7
Modul Sunda 7 kelas 7Modul Sunda 7 kelas 7
Modul Sunda 7 kelas 7Cecep Subagja
 
Modul Sunda 4 kelas 7
Modul Sunda 4 kelas 7Modul Sunda 4 kelas 7
Modul Sunda 4 kelas 7Cecep Subagja
 
Modul Sunda 6 kelas 7
Modul Sunda 6 kelas 7Modul Sunda 6 kelas 7
Modul Sunda 6 kelas 7Cecep Subagja
 

Similar to Buku guru kls 10 (13)

Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8
 
Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7
 
Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7
 
BS-SMA-MODUL-H-3.pdf
BS-SMA-MODUL-H-3.pdfBS-SMA-MODUL-H-3.pdf
BS-SMA-MODUL-H-3.pdf
 
Modul Sunda 1 kelas 7
Modul Sunda 1 kelas 7Modul Sunda 1 kelas 7
Modul Sunda 1 kelas 7
 
Modul Sunda 3 kelas 7
Modul Sunda 3 kelas 7Modul Sunda 3 kelas 7
Modul Sunda 3 kelas 7
 
Modul Sunda 2 kelas 7
Modul Sunda 2 kelas 7Modul Sunda 2 kelas 7
Modul Sunda 2 kelas 7
 
Modul Sunda 5 kelas 7
Modul Sunda 5 kelas 7Modul Sunda 5 kelas 7
Modul Sunda 5 kelas 7
 
PPT BIANTARA.pptx
PPT BIANTARA.pptxPPT BIANTARA.pptx
PPT BIANTARA.pptx
 
Mangle 2434
Mangle 2434Mangle 2434
Mangle 2434
 
Modul Sunda 7 kelas 7
Modul Sunda 7 kelas 7Modul Sunda 7 kelas 7
Modul Sunda 7 kelas 7
 
Modul Sunda 4 kelas 7
Modul Sunda 4 kelas 7Modul Sunda 4 kelas 7
Modul Sunda 4 kelas 7
 
Modul Sunda 6 kelas 7
Modul Sunda 6 kelas 7Modul Sunda 6 kelas 7
Modul Sunda 6 kelas 7
 

Buku guru kls 10

  • 1. Rosidi, Ajip. 1966. Kesusastraan Sunda Déwasa Ini. Jatiwangi: Tjupumanik. --------------, 1969. Djalan ke Surga. Djakarta: Gunung Agung --------------, 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. --------------, 1984. Manusia Sunda. Jakarta: Inti Idayu Préss. --------------, 1989. Janté Arkidam. Bandung: Pustaka. Resmana, Min. 1973. Hujan di Girang Caah di Urang. Bandung: Mitra Kencana. Ruhimat, Asep. 2006. Sambel Jaer. Bandung: Puspawarna. Rusyana, Dr. Yus. 1982. Métode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang. --------------, 1982. Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang. --------------, 1982. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang. Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco. 80 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Pamekar Diajar BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013 Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2013
  • 2. Pamekar Diajar BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013 Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku. PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H. Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandar Wasid Dr. Hj. Ai Sofi anti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi : Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Yoshi Sukadar Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-27-5 (Jilid 1) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT) Bab I 79 PITUDUH UMUM PABUKON Baidillah, Drs.H. Idin, M.Pd,dkk. 2010. Aksara Sunda. Bandung: CV. Walatra. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum 2013. Bandung. Hadi spk, Drs. Ahmad. 2005. Peperenian. Bandung: Geger Sunten. Hadish, Yétty Kusmiyati. 1979. Sastra Lisan Sunda Mite, Fabel, dan Légende 1. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemén Pendidikan dan Kebudayaan. Iskandar, Yoséph. 1982. Tumbal. Bandung: Rahmat Cijulang. Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. 1990. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang. Karana, Rahmat M. Sas. 1979. Tepung di Bandung. Bandung: Rahmat Cijulang. Keraf, Dr. Gorys. 1980. Komposisi. Ende Florés: Nusa Indah. Kunto, Haryoto. 1984. Wajah Bandoeng Témpo Doeloe. Bandung: Granésia. Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté. Muchtar, R.H. Uton, Ki Umbara. 1994. Modana. Bandung: Manglé Panglipur. Mustapa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung. No. 1574. 1996. Majalah Manglé. No. 51-52. 1996. Majalah Simpay. ---------------. 1986. Kedok Tangkorék. Bandung: Remadja Karya. Poerwadarminta, W.J.S. 1977. Kamus Umum Bahasa Indonésia. Jakarta: PN Balai Pustaka. Prawirasumantri, Drs. H. Abud, dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompeténsi Mata Pelajaran Bahasa Daérah (Sunda). Bandung: Geger Sunten. Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1977. Pedoman Éjaan Bahasa Sunda yang Disempurnakan. Jakarta.
  • 3. 5. Naha aya bahan Pnua hnéségeuanj kaerura mnu ri1d?: KKumaahwa ciahra ngungkulanana? 6. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna? 7. Jeung saterusna. 78 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X PANGBAGÉA iii KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi. Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.
  • 4. iv Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap. Bandung, Desember 2013 Kepala Dinas P Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Prof. Dr. H. Moh Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP. 19570807 198601 1 001 Bab III 77 PITUDUH MEUNTEUN D. Refleksi Réfl éksi téh diperlukeun keur ngaévaluasi kagiatan diajar ngajar nu geus lumangsung. Ngaliwatan refl eksi guru bisa ngaanalisis naha hiji pangajaran téh geus hasil sarta nyumponan pamaredih kompetensi inti, kompetensi dasar, jeung indikator atawa acan. Sacara umum réfl éksi téh aya dua rupa, nyaéta refl eksi pangajaran jeung réfl éksi guru sacara pribadi. 1. Réfl éksi di ahir pangajaran Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru waktu rék mungkas pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun mikanyaho nepi ka mana réspon siswa kana pangajaran nu geus ditepikeun sarta naon masalah nu kapanggih salila prosés pangajaran. a. Meunang mangpaat naon tina pangajaran nu geus ditepikeun? b. Resep henteu waktu urang ngulik éta pangajaran téh? Lebah mana anu resepna, lebah mana anu henteu? c. Naon baé anu can kaharti tina éta pangajaran? Lebah mana anu ku hidep dianggap hésé? d. Naha waktu urang disskusi geus ngarasa méré kontribusi ka kelompok/ka nu séjén, atawa acan? e. Naha métode anu dilarapkeun téh ngabantu ka urang pikeun mikapaham bahan pangajaran? f. Kumaha pamadegan hidep kana carana ibu/bapa guru nepikeun pangajaran? g. Jeung saterusna. 2. Réfl éksi pribadi guru Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru ka dirina pribadi sabada réngsé nepikeun hiji pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun ngabebenah kahéngkéran dirina, atawa ngukuhan naon nu geus dianggap unggul. Salian ti éta pikeun ngukur nepi ka mana hasilna pangajaran nu didadasaran ku réspon siswa. 1. Kumaha prakna nepikeun pangajaran, naha geus nyumponan pamaredih kurikulum? 2. Pangajaran mana nu geus éféktif, sarta mana anu acan? 3. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun sangkan pamahaman murid leuwih jembar? 4. Bahan mana nu geus dikawas ku murid, sarta mana anu acan?
  • 5. 4. Conto rubrik meunteun ngadongéng 76 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X No Nama Siswa Aspek yang dinilai Jumlah Skor Skor Basa Pasemon Lentong/ Wirahmaa Gestur/ tagog 3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 1 2 3 5. Conto rubrik meunteun guguritan a. Meunteun karangan guguritan No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Gagasan/Eusi 10 – 25 2. Diksi nu digunakeun 10 – 25 3. Bener henteuna guru lagu jeung guru wilangan 10 – 25 4. Aspék musikalitas/wirahma. 10 – 25 Jumlah 40 – 100 b. Meunteun nembangkeun guguritan No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 – 35 2. WIrahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 – 35 3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 -- 30 Jumlah 30 -- 100 6. Conto rubrik meunteun sisindiran No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Gagasan/Eusi 10 – 25 2. Diksi nu digunakeun 10 – 25 3. Kasaluyuan purwakanti cangkang jeung eusi 10 – 25 4. Itungan engang jeung wirahma 10 – 25 Jumlah 40 – 100 v PANGBAGÉA KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifi k sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifi k sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran. Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan
  • 6. Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. vi Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman. Bandung, Desember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian, Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd. Pembina Tk. I NIP. 196110051986031014 Bab III 75 PITUDUH MEUNTEUN 2. Conto rubrik meunteun paguneman No Nama Siswa dan pasangan-nya Aspek yang dinilai Jum. Skor Skor Eusi Basa Pasemon Lentong Undak-usuk basa 3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 1 2 3 1 2 3 3. Conto rubrik meunteun aksara Sunda a. Maca aksara Sunda No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Gancang kendorna maca 10 – 25 2. Bener henteuna ngejah aksara 10 – 25 3. Lagu kalimah 10 – 25 4. Pamahaman kana bacaan 10 – 25 Jumlah 40 – 100 b. Nulis aksara Sunda No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Karapihan tulisan: Wangun aksara, jajaran lempeng 10 – 20 2. Kaajegan wangun aksara 10 – 30 3. Benerna wangun aksara 10 – 30 4. Benerna pananda sora (rarangkén) 10 – 20 Jumlah 40 – 100 c. Desain aksara Sunda No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Akurasi (bener henteuna) aksara Sunda nu didigunakeun 10 – 20 2. Aspek ‘keterbacaan’ aksara Sunda nu digunakeun 10 – 30 3. Unsur estetik/kaendahan kaligrafi 10 – 30 4. Komposisi warna jeung wangun 10 – 30 Jumlah 40 – 100
  • 7. 8. Conto rubrik meunteun ngarang No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Eusi atawa gagasan 13 – 35 2. Organisasi tulisan 7 – 20 3. Kandaga kecap jeung pilihan kecap 7 -- 20 4. Adegan basa 7 – 20 5. Unsur mékanik: Ejaan, tanda baca, jeung karapihan 2 – 5 Jumlah 30 -- 100 C. Instrumen Meunteun Husus Ieu di handap sawatara conto rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh panngajaran. 1. Conto rubrik meunteun biantara. No Aspek Bobot 74 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Jumlah Nilai 1. Aspek Bahasa a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama bahasa b. Struktur bahasa (bentukan kata dan kalimat) yang benar c. Pelafalan dan intonasi 35 2. Pemahaman Isi a. Penguasaan Isi b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji) c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi 35 3. Penampilan (Ekspresi) a. Gestur (mimik dan gerak) b. Kreasi dan gaya bicara 30 J u m l ah 100 Rentang nilai 60 - 100 Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda. Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda. Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintifi k) kayaning niténan, nanya, nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun). Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra vii PANGJAJAP
  • 8. Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana. viii Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina. Bandung, Oktober 2013 Panyusun Bab III 73 PITUDUH MEUNTEUN 5) Conto rubrik meunteun sawala Kritéria Alus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1) Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain Komunikasi non-verbal Ngaréspon Kurang réspon Api lain Ilubiung Aktif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun Omongan Nepikeun pamadegan ngaruntuy Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy Cicingeun Katerangan: 1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun. Total peunteun 2. Cara meunteun: X 10 12 3. Contona: 2 + 3 + 1 + 2 X 10 = 8 = 6,7 12 12 6. Conto rubrik meunteun Maca No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah 1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20 2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20 3. Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan 10 -- 20 4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20 Jumlah 40 -- 100 7. Conto rubrik meunteun nyarita No Nama Siswa Aspek yang dinilai Jumlah Skor Eusi Basa Pasemon Diksi Skor 3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 1 2 3
  • 9. Rentang skor = 1 – 5, skor minimal = 6, skor maksimal = 30 Skor: 0 – 6 = Sangat Kurang 7 – 12 = Kurang 13 – 18 = Cukup 19 – 24 = Baik 25 – 30 = Sangat Baik 3. Rubrik Meunteun Sikep No. Sikep 72 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Encan écés Mimiti écés Mimiti Mekar Dibiasakeun Kat. 1. Taliti 2. Tanggung jawab 3. Disiplin 4. Jujur 5. Santun 6. Peduli 7. Percaya diri 4) Conto rubrik meunteun pangaweruh No Indikator Teknik Bentuk Instrumen 1 Bisa nyebutkeun tokoh wayang tina babad Mahabarata. Tes Uraian 1. Pandawa téh anak Pandudéwana ti dua bibit, nyaéta Déwi Kunti jeung Déwi Madrim. Sebutkeun saha baé nu lahir ti déwi Madrim jeung saha nu ti Déwi Kunti! 2. Saha anu dimaksud panengah Pandawa téh jeung naha manéhna disebut kitu? 3. Sebutkeun tilu tokoh nu kagolong ka kulawadet Kurawa? 4. Saha ngaran guru Pandawa jeung Kurawa téh? 5. Yudistira téh boga pamajikan, saha ngaranna? jst jst jst jst jst DAPTAR EUSI PANGBAGEA: 1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ iii 2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v PANGJAJAP _ vii BAB I: PITUDUH UMUM A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ......................................................... 2 B. Padika Make Buku Tuturus Guru ..................................................... 2 C. Tatapakan Formal ........................................................................... 4 D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ..................................... 4 E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) .................................................. 5 F. Proses Pangajaran ............................................................................ 5 G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X SMA/MA/SMK/MAK ................................................................... 6 H. Péta Konsép ................................................................................... 8 BAB II: PITUDUH HUSUS Pangajaran 1: Biantara A. Maca Téks Biantara ...................................................................... 10 B. Nyangkem Struktur Biantara ....................................................... 12 D. Ngaanalisis Téks Biantara ............................................................. 13 E. Nepikeun Biantara ....................................................................... 14 ix
  • 10. Pangajaran 2: Paguneman x A. Maca Paguneman ....................................................................... 16 B. Ngaanalisis Paguneman ............................................................... 17 C. Paguneman dina Karya Sastra ...................................................... 18 D. Nyusun Téks aguneman ............................................................... 20 E. Mintonkeun Paguneman ............................................................. 22 Pangajaran 3: Biografi jeung Autobiografi A. Maca Téks Biografi ...................................................................... 25 B. Biografi , Autobiografi , jeung Otobiografi ..................................... 25 C. Unsur-unsur Biografi .................................................................. 26 D. Mangpaat Biografi ...................................................................... 26 E. Ngaanalisis Téks Biografi ............................................................. 27 F. Nyusun Téks Biografi .................................................................. 27 Pangajaran 4: Aksara Sunda A. Maca Téks Aksara Sunda .............................................................. 31 B. Mikawanoh Aksara Sunda ............................................................ 33 C. Paham Sajarah Aksara Sunda ........................................................ 33 D. Nyalin Téks Aksara Sunda ............................................................ 34 E. Ngagunakeun Aksara Sunda ........................................................ 35 Pangajaran 5: Dongéng A. Maca Téks Dongéng .................................................................... 38 B. Papasingan Dongéng ................................................................... 39 C. Ciri-ciri Dongéng ..................................................................... 39 D. Ngaanalisis Téks Dongéng ........................................................... 40 E. Ngaéksprésikeun Dongéng .......................................................... 41 Pangajaran 6: Carita Wayang A. Mikawanoh Carita Wayang .......................................................... 43 B. Pedaran Carita Wayang ................................................................ 44 C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng ............................... 45 D. Ngaanalisis Carita Wayang ........................................................... 47 Bab III 71 PITUDUH MEUNTEUN 71 B. Instrumen Meunteun Umum Ieu di handap aya sawatara rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan, mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh panngajaran. 1. Conto rubrik meunteun spiritual. No Nama Siswa Menyadari keberadaan bahasa Sunda sebagai anugrah dari Tuhan Yang Maha Esa Menyadari keberadaan bahasa Sunda sebagai alat komunikasi Bersyukur atas kebesaran Tuhan dengan adanya keragaman bahasa Bersyukur atas kebe-saran Tuhan dengan adanya kekhasan dan keung-gulan baha-sa Sunda Skor Total 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 2 3 4 5 Keterangan: Selalu = 4 Sering = 3 Tidak pernah = 1 Skor minimal = 4 Skor maksimal = 16 Kriteria: 0 – 4 = kurang 5 – 8 = cukup 9 – 12 = baik 13 – 16 = sangat baik 2. Conto rubrik meunteun sosial No Nama Siswa Aspek yang dinilai Jumlah skor Nilai Percaya Tanggung Kerja Teliti Santun Toleransi Akhir Diri Jawab sama 1 2 3
  • 11. Dina ieu bab bakal dipedar kumaha cara meunteun unggal kompetensi murid ku rupa-rupa instrumen penilaian. Cara meunteun téh aya nu sipatna umum, ogé aya nu sipatna husus. Cara meunteun anu sipatna umum dilarapkeun kana kagiatan-kagiatan anu lumrah dipigawé dina unggal kagiatan diajar. Upamana keur meunteun sikep spiritual jeung sosial, meunteun lumangsungna diskusi, atawa meunteun kompetensi-kompetensi anu umum. Upamana bae meunteun karangan murid jeung meunteun carana murid nyarita. Cara meunteun anu sipatna husus dilarapkeun pikeun nguji rupaning kompetensi sakumaha nu kaunggel dina buku murid, tur mikabutuh instrumen penilaian anu husus. Utamana dilarapkeun pikeun meunteun tugas-tugas mandiri. Upamana meunteun biantara murid, meunteun hasil analisis, meunteun karangan guguritan atawa sisindiran, jeung sajabana. Pancén-pancén nu nyampak dina buku murid bisa dipeunteun ku rubrik penilaian anu umum atawa anu husus, luyu jeung kabutuhanana. Upamana, keur meunteun karangan carita pondok karya siswa, guru bisa ngalarapkeun instrumen penilaian anu sipatna umum keur meunteun karangan, atawa make rubrik husus keur meunteun karangan carpon. A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur unggal-unggal murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda gumantung kana jumlah komponén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng keur nandaan geus tutas acanna. 4. Conto rubrikna siga ieu di handap: Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Pangajaran 1 (Biantara) Materi nu dipeunteun 70 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Katerangan Tutas Enggeus Encan A. Maca teks biantara B. Nyangkem struktur biantara C. Neuleuman padika biantara D. Ngaanalisis téks biantara E. Nepikeun biantara Pangajaran 7: Carita Pondok A. Maca Carita Pondok ................................................................... 50 B. Unsur-unsur Carita Pondok ........................................................ 51 C. Kamekaran Carpon .................................................................... 52 D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng ......................................... 52 E. Fiksimini Sunda .......................................................................... 53 F. Ngaanalisis Carpon ..................................................................... 54 G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini ................................................. 55 Pangajaran 8: Guguritan A. Maca Teks Guguritan .................................................................. 58 B. Mikawanoh Puisi Guguritan ........................................................ 59 C. Ngaanalisis Puisi Guguritan ......................................................... 60 D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan .................................... 60 Pangajaran 9: Sisindiran A. Mikawanoh Sisindiran ................................................................. 63 B. Nyangkem Sisindiran .................................................................. 65 C. Ngaanalisis Sisindiran .................................................................. 65 D. Ngarang Sisindiran ...................................................................... 67 BAB III: PITUDUH MEUNTEUN A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) ............................... 70 B. Instrumen Meunteun Umum ........................................................... 71 C. Instrumen Meunteun Husus ............................................................ 74 D. Refl eksi ......................................................................................... 77 PABUKON .......................................................................................... 79
  • 12. 69 Bab I I I Pituduh Meunteun
  • 13. 68 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 19 Klompok murid tuluy ngeusian Pancén5, ku cara diskusi pikeun nyusun cangkang sisindiran nu eusina geus disadiakeun. Salila prosés diskusi, guru ngaping murid sarta jadi fasilitsator upama murid manggih masalah dina diskusi. 20 Sabada pancén dipigawé, guru nugaskeun kelompok sacara acak pikeun macakeun atawa ngagalantangkeun sisindiran hasil beubeunanganana. Cara macakeunana bisa ogé ku ditembangkeun ngarah kelas jadi hégar. Guru méré koméntar atawa ngalelempeng saupama aya sisindiran nu disusun ku murid kurang merenah strukturna. 21 Sabada éta, nincak kana tahap kadua, nyaéta murid ngarang siisindiran sorangan anu gembleng cangkang jeung eusina. Ieu pancén bisa ogé dipigawé dina kelompok nu sarua, minangka prakték tina modél diajar “kolaboratif ” kalawan catetan sisindiran nu dijieun ku masing-masing murid ulah aya nu sarua. 22 Guru nugaskeun sawatara murid pikeun ngagalantangkeun atawa ngawihkeun sisindiran beunangna sorangan sacara bagilir. Guru ngaaprésiasi ka murid anu karyana pinunjul sarta ngumpulkeun hasil karya murid minangka portofolio. Sisindiran anu dianggap pinunjul ogé bisa dipublikasikeun/dipamérkeun ngaliwatan rupa-rupa média. KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran sisindiran? Naon baé kasusah/hahalang dina pangajaran sisindiran? Naha carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid mikaresep sisindiran minangka bagian tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina rupa-rupa sisindiran nu geus diulik. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara sisindiran dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara sisindiran, jeung geus bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta. 1 Bab I Pituduh Umum
  • 14. A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal. 1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator. 2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu gumulung tur ngamalir. 3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifi k), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur numuwuhkeun rasa basa Sunda. 4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid. 5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran pangaweruh murid. 6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing). 7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid. Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku: 1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté. 2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun. 3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu bakal diulik. 4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép. 5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid. 6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid. B. Padika Make Buku Tuturus Guru Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas. Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku. 2 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Bab II 67 PITUDUH HUSUS 16 Tabél wawangsalan: Wawangsalanan Jawaban tarucing Katerangan ………………….. ………………….. ………………….. ………………….. ………………….. ………………….. Kolom katerangan téh dibutuhkeun lantaran sok aya sisindiran anu henteu matok kana aturan anu baku. Upamana jumlah engangna leuwih ti dalapan, sapadana henteu matok opat jajar-opat jajar, atawa sakapeung sok kapanggih wangun sisindiran anu sora tungtungna henteu nyeplés murwakanti. Contona: Jaksi belang jaksi hideung, Pandan laut kukuncungan; Bisi melang bissi nineung, Imut heula urang di panungtungan. Kembang eros sisi pilar, Ngarambat kana jambatan, Supados dipaké baé; Ulah rumaos ditilar, Jaga gé mo burung tepang, Supados diaku baé. 17 Sabada dipigawé, hasil analisis murid dilaporkeun ka guru sarta guru ngaévaluasi éta pancén individual tur méré koméntar saperluna upama dibutuhkeun. D. Ngarang Sisindiran No Kagiatan 18 Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok. Anggota kelompokna bisa dua atawa tilu urang. Ti dinya guru nerangkeun pancén nu kudu dipigawé ku murid sakumaha anu didadarkeun dina Pancén 5. Tahap kahiji, murid latihan heula ngalengkepan sisindiran nu eusina geus disadiakeun, sarta tahap kadua murid kudu ngarang sisindiran kalawaan gembleng ngawengku cangkang jeung eusina. Minangka catetan, sisindiran anu kudu dikarang ku murid téh nyaéta wangun paparikan atawa rarakitan, lain wawangsalan anu tingkat kasulitanana rada luhur.
  • 15. 66 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 11 Sabadana, guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok leutik. Hiji kelompok anggotana antara 3-4 urang. Guru nerangkeun naon nu kudu dipigawé ku kelompok sarta méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu teu dipikaharti. 12 Tahap mimiti, kelompok murid kudu migawé Pancén 2, nyaéta ngaanalisis sisindiran dina tabél, utamana kudu manggihan jawaban tina pertanyaan: kaggolong kana naon wangun jeung eusi éta sisindiran? Guru ogé nyiapkeun tabel matrikulasi keur ngaragum jawaban murid. 13 Kelompok ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna dina tabel matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil analisis, guru ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi deui ka murid saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna manggih kacindekan. 14 Tahap kadua, kelompok murid nu sarua dibéré pancén pikeun migawé soal dina Pancén 3. Prosés diskusina sarua jeung prosés dina tahap mimiti, nyaéta murid kudu manggihan jawaban: naon eusi tina tarucingan lima wawangsalan nu aya dina tabél? Sabada bérés ngajawab soal, kelompok ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna dina tabel matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil analisis, guru ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi deui ka murid saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna manggih kacindekan. 15 Réngsé migawé Pancén 3 jeung pancén 4, murid dibéré pancén individual pikeun ngaanlisis sisindiran jeung wawangsalan anu séjén. Sumbernna bisa tina buku, majalah, koran, atawa internét. Éta pancén bisa mangrupa “tugas mandiri terstruktur”. Upamana baé, murid ditugakeun ngumpulkeun lima paparikan, lima rarakitan, jeung lima wawangsalan. Guru tuluy ngadadarkeun naon anu kudu dipigawé ku murid sakumaha katerangan anu nyampak dina Pancén 4. Laporan murid bisa mangrupa tabél, nu wangunna siga tabél dina Pancén 2 jeung Pancén 3. Keur ngajawab pertanyaan nomer 3 (Akurkeun jeung patokan sisindiran anu umum), murid bisa nambahan kolom katerangan keur eusi éta jawaban. Jadi, tabélna bisa kieu: Tabél paparikan jeung rarakitan: Sisindirannana Wangunna Eusina Katerangan ……………….. ……………….. ……………….. ……………….. ……………….. ……………….. ……………….. ……………….. 1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana. 2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran. 3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé. 4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”, 5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku Bab I 3 pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé. PITUDUH UMUM babon murid. 6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang. 7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola. 8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan (PAIKEM)”; b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas. 9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali jeung sosial budaya Sunda. 10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola. 11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak. 12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan). 13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
  • 16. 14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid. 15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfl eksi sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun. 16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh cerdas tur bisa. 17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar. C. Tatapakan Formal Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda). Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana. Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan. D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, 4 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X Bab II 65 PITUDUH HUSUS 5 Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 6 Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru nyindekkeun hasil diskusi. B. Nyangkem Sisindiran No Kagiatan 7 Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara sisindiran. Dina ieu bagian, aya hadéna guru mawa conto sisindiran séjénna, boh nu mangrupa buku, kliping koran, jeung sajabana. 8 Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti. 9 Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur ngajembaran pangaweruhna. C. Ngaanalisis Sisindiran No Kagiatan 10 Dina ieu bagian, aya tilu pancén nu kudu dipigawé ku murid, nyaéta Pancén 2 jeung pancén 3, jeung Pancén 4. Pancén 2 jeung tilu kudu dipigawé ku kelompok, sedengkeun Pancén 4 kudu dipigawé sacarra individual. Guru nugaskeun murid pikeun ngimeutan soal-soal dina Pancén 2 jeung 3. Murid ogé ditugaskeun keur nyirian kekecapan anu teu dipikaharti, sarta sina disusun jadi glosarium keur ditéangan hartina ngagunakeun bantuan kamus basa Sunda.
  • 17. Tahap I Tahap I 64 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 2 Murid tuluy disina maca éta conto sisindiran di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. 3. Sabada bérés maca conto sisindiran, murid dibagi jadi sawatara kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Jumlah kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun jadi 8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3) KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4) KELOMPOK 5 (Ngajawab pertannyaan nomer 5) KELOMPOK 6 (Ngajawab pertannyaan nomer 6) KELOMPOK 7 (Ngajawab pertannyaan nomer 7) KELOMPOK 8 (Ngajawab pertannyaan nomer 8) Tahap II KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 8) 4 Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur nepikeun jawaban di hareupeun kelas. terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna). Bab I 5 PITUDUH UMUM E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) Ranah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/ MA/MAK Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna. Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun. Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban. F. Proses Pangajaran Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifi k, anu léngkah-léngkahna: 1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton; 2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala; 3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih jembar; 4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen); 5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan) 6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu lian.
  • 18. G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X SMA/SMK/MA/MAK KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD) 10.1 Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya. 6 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 10.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui teks BIANTARA, PAGUNEMAN, BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI, AKSARA SUNDA, DONGENG, CARITA WAYANG, CARPON, GUGURITAN, DAN SISINDIRAN. 10.2 Menghayati dan mengamalkan perilaku jujur, disiplin, tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia. 10.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIANTARA dan PAGUNEMAN. 10.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan tanggung jawab dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI serta AKSARA SUNDA. 10.2.3 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan peduli dalam berbahasa Sunda untuk memahami DONGENG, CARITA WAYANG,CARPON, GUGURITAN, dan SISINDIRAN 10.3 Memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesifi k sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah. 0.3.1 Mengidentifi kasi dan menganalisis teks BIANTARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.2 Mengidentifi kasi dan menganalisis teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya. 10.3.3 Mengidentifi kasi dan menganalisisteks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.4 Mengidentifi kasi dan menganalisisteks AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. Bab II 63 PITUDUH HUSUS Pa n g a j a r a n 9 SISINDIRAN KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran sisindiran. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus dimangpaatkeun ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana dipaké keur nepikeun rupaning kabeungharan budaya, upamana dipaké dina sisindiran. Guru bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid keur ngagali pangawruh awal murid patali jeung sisindiran. Alus lamun aya conto sisindiran anu populer keur ngahudang ingetan murid ngeunaan sisindiran. Atawa, bisa ogé milih hiji lagu anu rumpakana maké sisindiran samodel “Bubuy Bulan”, “És Lilin”, atawa “Sorban Palid”. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri sisindiran ku cara némbongkeun buku sisindiran atawa gambar/foto nu keur sisindiran nu sumberna tina koran, majalah, atawa internét. Diterangkeun yén sanajan sisindiran mangrupa sastra lisan nu geus heubeul pisan ayana, tapi nepi ka kiwari dipaké kénéh ku masarakat Sunda keur rupa-rupa kaperluan. Guru nepikeun tujuan pangajaran sisindiran luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa manggihan ciri-ciri puisi sisindiran, maham padika puisi sisindiran, nyebutkeun fungsi sisindiran dina kagiatan komunikasi, sarta bisa ngarang sisindiran ku sorangan. KAGIATAN INTI A. Mikawanoh Sisindiran No Kagiatan 1 Murid diwanohkeun kana sababaraha conto sisindiran di Bagian A. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan pada jeung padalisanana, kekecapanana, jeung sajabana.
  • 19. KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran guguritan? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? Naha carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid resep maca guguritan minangka bagian tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta karangan. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara guguritan dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara guguritan, jeung geus bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta. 110.3.5 Mengidentifi kasi, menganalisis, dan membandingkan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah-kaidahnya. Bab I 7 PITUDUH UMUM 10.3.6 Mengidentifi kasi danmenganalisisCARPONsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.7 Mengidentifi kasi dan menganalisisGUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.3.8 Mengidentifi kasi dan menganalisisSISINDIRANsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4 Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan. 10.4.1 Menyusun, menanggapi, dan memperagakan teks BIANTARAsesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.2 Menyusun,menanggapi, dan memperagakan teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya. 10.4.3 Menyusun, menanggapi, dan membandingkan teks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.4 Menyusun dan menyunting teks pendek yang menggunakan AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.5 Menanggapi dan mengekspresikan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.6 Menanggapi dan mengekspresikan CARPON sesuai dengan kaidah-kaidahnya. 10.4.7 Menanggapi dan mengekspresikan GUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan. 10.4.8 Menanggapi dan mengekspresikan SISINDIRAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.
  • 20. 8 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X H. Péta Konsép 17 Kagiatanana bisa dimimitian ku méré motivasi ka murid sangkan murid sumanget migawé tugas. Upamana ku cara nepikeun ieu hal di handap: - Ngarang guguritan téh bisa dianggap kagiatan keur miara jeung ngamumulé kabudayaan sorangan. Mun dibanding jeung sajak, guguritan leuwih némbongkeun warna kabudayaan lokal. - Ngaarang guguritan ogé bisa dipaké cara keur ngalatih daya pikir jeung daya cipta, utamana dina cara néangan kekecapan anu merenah jeung nyusunna jadi hiji karangan anu mandiri. - Eusi guguritan bisa ngébréhkeun rasa jeung pikiran, anu bisa jadi aya mangpaatna keur batur. Bisa keur hiburan, keur babagi informasi, atawa ngungkab rasa kamanusaan. - Saupama alus, hasil karangan bisa dipubublikasikeun, boh ngaliwatan webiste, blog, atawa dina koran jeung majalah. Copelna bisa ditémpél di majalah dingding sakola. 18 Murid ditugaskeun pikeun ngimeutan léngkah-léngkah Pancén 4, nepi ka kapaham enya-enya ku murid. Guru ogé méré kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan upama aya hal-hal anu teu kaharti. 19 Murid ngarang guguritan luyu jeung tema anu dipilihna sarta ngéstokeun aturan pupuhna (guru lagu, guru wilangan, jeung watekna). Dina ieu prosés guru méré kabébasan pikeun murid, utamana dina néangan insprirasi keur bahan karangan. Guru ogé bisa ngaalarapkeun modél pembelajaran kolaboratif, ku cara méré saran ka murid pikeun diajar babarengan, silih bantuan, atawa silih tukuer informasi. Murid anu boga kamampuan anu punjul bisa méré bantuan ka murid séjénna, atawa méré bongbolongan ka babaturanana nu nyanghareupan rupaning masalah sajeroning prosés ngarang. 20 Guru ngaping rposés diajar murid, sarta jadi pasilitator atawa sumber informasi upama diperlukeun. 21 Murid ngumpulkeun karanganana sarta diajén ku guru. Saupama kapanggih aya karya murid anu punjul, guru bisa méré aprésiasi atawa méré ‘reward”. Sakabéh karangan murid tuluy disusun jadi portofolio atau disusun jadi antologi karya murid. Karangan nu punjul téa bisa dipublikasikeun ku rupa-rupa cara keur ngahudang sumanget murid.
  • 21. 60 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 10 Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur ngajembaran pangaweruhna. C. Ngaanalisis Puisi Guguritan No Kagiatan 11 Sabada diwanohkeun kana conto puisi guguritan jeung mikapaham pedaranana, murid dibéré tugas pikeun ngaanalisis puisi guguritan anu béda. Guru méré pancén ka murid maca guguritan “Nimat Teuing Cai Jamjam” karangan Yus Rusyana dina Bagian C. Alus lamun aya nu nyontoan nembangkeun éta guguritan sapada atawa dua pada. 12 Sabadana, murid dibagi jadi 5 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 2. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda nepi ka kawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban anu lengkep ti nomer 1 nepi ka 5. Nepi ka ahirna sakabéh murid meunang pamahaman anu gembleng kana sakabéh pertanyaan jeung jawaban sakumaha anu diperedih dina Pancen 2. 13 Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. 14 Guru nugaskeun ka unggal kelompok pikeun nepikeun hasil laporan diskusina, anu tuluy disaruakeun jeung jawaban kelompok séjén. Salila ngabandungan laporan murid, guru ngarangkum unggal jawaban dina matrik keur jadi dasar dina nyindekkeun hasil diskusi. 15 Guru nyindekkeun hasil diskusi. D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan No Kagiatan 16 Dina ieu bagian guru nugaskeun murid sacara individual pikeun nyobaan ngarang gugritan maké daya ciptana sorangan sarta éta hasil karanganana dicobaan pikeun ditembangkeun luyu jeung pupuh anu digunakeunana. 9 Bab I I Pituduh Husus Dina ieu bab didadarkeun léngkah-léngkah pangajaran anu kudu dipilampah ku guru dina ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda. Perlu dicatet yén ieu wincikan téh minangka tarékah minimal nu kudu dipilampah ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Dina harti, guru dipiharep bisa mekarkeun kalawan rancagé ieu wincikan nepi ka kapanggih léngkah-léngkah anu leuwih masagi. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna dipiharep bisa parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep anu utama. Keur ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.
  • 22. Pa n g a j a r a n 1 BIANTARA 10 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta niténan kasang tukang jeung kamampuh unggal-unggal muridna dina ngawasa pangajaran basa Sunda. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran réh Pangéran geus ngaanugrahkeun basa Sunda ka urang pikeun alat komunikasi sapopoé jeung papada manusa. Guru ngajak murid niténan rupa-rupa conto digunakeunana basa dina komunikasi sapopoé, boh dina situasi formal atawa teu formal. Dina muka pangajaran guru ngajak murid pikeun narékahan paham kana matéri biantara ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman biantara, boh nu mangrupa rekaman CD/Kasét boh nu mangrupa fi le komputer. Guru ogé bisa ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biantara dina basa Sunda. Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran biantara luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntifi kasi struktur teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara, sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun sora, lentong, jeung wirahma anu merenah. KAGIATAN INTI A. Maca Téks Biantara No Kagiatan 1 Murid diwanohkeun kana conto téks biantara, tuluy guru nitah maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana strukturna, masalah nu dibiantarakeun, suasanana, jeung dina acara naon éta biantara ditepikeun. Bab II 59 PITUDUH HUSUS 5 Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. 6 Guru nugaskeun murid pikeun nyusun laporan kelompok, nyaéta nyusun jawaban dina Pancén 1 kalawan tartib ti nomer hiji nepi ka nomer 8. Sabadana, juru catur ti unggal kelompok nepikeun hasil laporan kelompokna. Jawaban ti unggal kelompok ku guru dirangkum dina tabél matrikulasi pikeun jadi dasar dina nyusun kacindekan diskusi. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 7 Guru nyindekkeun hasil diskusi. Hasil kacindekan kudu difokuskeun kana hal-hal ieu di handap: - Puisi guguritan boga patokan anu mandiri, luyu jeung patokan pupuh nu digunakeunana. Ngawengku patokan pada jeung padalisan (guru wilangan), patokan sora tungtung padalisan (guru lagu), jeung patokan sipat pupuh nu digunakeun. - Hiji guguritan biasana dikarang dina hiji pupuh, henteu dina rupa-rupa pupuh siga dina wawacan. - Eusi puisi guguritan biasana nepikeun gagasan, pikiran, atawa rasa, ti batan ngadadarkeun hiji perkara nu sipatna prosais. - Minangka puisi heubeul, guguritan biasana dikarang keur ditembangkeun, lain bacaeun di jero haté. Munasabah lamun réa guguritan ngahaja dikarang keur kaperluan pagelaran tembang (Cianjuran). Sanajan kitu, réa ogé kiwari guguritan ngahaja dikarang keur muatkeuneun di media massa atawa diterbitkeun mangrupa buku. B. Mikawanoh Puisi Guguritan No Kagiatan 8 Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara guguritan. Dina ieu bagian, aya hadéna guru mawa réa conto guguritan, boh nu mangrupa rekaman, buku, kliping koran, jeung sajabana. 9 Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti.
  • 23. Tahap I Tahap I 58 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Tahap II Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X KAGIATAN INTI A. Maca Teks Guguritan No Kagiatan 1 Murid diwanohkeun kana conto karangan guguritan nu judulna “Asih Indung” karangan Resmiati. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan pada jeung padalisanana, kumaha basana, judulna, jeung sajabana 2 Murid tuluy disina maca éta guguritan di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engkéna kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. 3 Sabada bérés maca guguritan “Asih Indung” di jero haté, guru nyontoan atawa nugaskeun salah saurang murid nembangkeun éta guguritan ku pupuh Kinanti. 4. Sabadana, murid dibagi jadi 8 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. Mun digambarkeun posésna siga ieu di handap: KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3) KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4) KELOMPOK 5 (Ngajawab pertannyaan nomer 5) KELOMPOK 6 (Ngajawab pertannyaan nomer 6) KELOMPOK 7 (Ngajawab pertannyaan nomer 7) KELOMPOK 8 (Ngajawab pertannyaan nomer 8) KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 8) Bab II 11 PITUDUH HUSUS 2 Guru ngabagi murid jadi opat kelompok pikeun ngadiskusikeun téks biantara. Tugasna: 1) Kelompok I ngaanalisis struktur téks biantara ka-1. Alat analisisna bisa ditingali dina pertanyaan nomer hiji dina pancén ka-1 buku murid. Contona: Bagian Bubuka Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst Bagian Eusi Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst Bagian panutup Paragraf ka …. Paragraf ka …. Jst 2) Kelompok II ngaanalisis masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Dina ngaanalisis masalah nu kakandung dina biantara, murid kudu nandaan (nyirian) kalimah-kalimah konci anu ngadeudeul kana masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Kelompok tuluy nyusun laporan diskusina ku cara nyusun karangan pondok anu ngadadarkeun “masalah poko” nu jadi bukur catur nu biantara. 3) Kelompok III ngaanalisis biantara tina jihad suasana anu mungkin timbul waktu éta biantara ditepikeun. Upamana, tina masalah nu ditepikeun ku nu biantara, katémbong sumanget nu biantara nu hayang ngagedurkeun sumanget hadirin keur merangan narkoba. Minangka laporan kelompok, murid kudu nyusun karangan pondok anu ngadadarkeun “suasana” nu bisa dittimbulkeun waktu éta biantara ditepikeun. 4) Kelompok IV ngaanalisis biantara tina jihad ka saha éta biantara pantesna ditepikeun. Upamana baé ka murid, ka para pamuda, ka masarakat réa, atawa ka kelompok-kelompok anu tangtu. Dina nangtukeun saha-sahana anu bisa jadi “obyék” éta biantara, kelompok kudu nepikeun ogé alesan-alesan ku naon éta “obyek” merenah keur ngabandungan éta biantara.
  • 24. Sabada réngsé migawé tugasna séwang-séwangan, unggal kelompok ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna di hareupeun balaréa. Nalika hiji kelompok ngalapokeun hasil analisisna, kelompok séjénna bisa mairan. 4 Guru nyindekkeun hasil diskusi kelompok. B. Nyangkem Struktur Biantara No Kagiatan 12 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 5 Sabada ngalaksanakeun kagiatan maca téks jeung ngadiskusikeun téks biantara jeung rupaning aspékna. Guru méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran nu aya dina bagian B (Nyangkem Struktur Biantara). Sacara individual murid dibéré pancén ngaasosiasikeun atawa nganalar rupaning pangaweruh nu kacangkem dina kagiatan diskusi kelompok jeung pangaweruh ngeunaan struktur biantara dina bagian pedaran. C. Neuleuman Padika Biantara No Kagiatan 6 Guru ogé méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran dina bagian C (Neuleuman Padika Biantara). Dina ieu bagian, guru leuwih museurkeun panitén murid kana kumaha cara nepikeun biantara anu hadé. Hal ieu dilakonan pikeun méré pangaweruh ka murid ngeunaan téhnik biantara anu hadé. 7 Saméméh nepikeun padika “TAMAN” sakumaha anu dipedar dina bagian C, aya hadéna guru méré conto biantara mangrupa rekaman atawa vidéo. Upamana biantara salah saurang inohong anu kawentar alus dina nepikeun biantara di hareupeun balaréa (publik), boh dina basa Sunda boh dina basa séjén. 8 Sabada rekaman atawa conto biantara diwanohkeun ka murid, guru tuluy ngajak murid ngaanalisis éta biantara maké unsur “TAMAN” (tatag henteu nyaritana, aktual henteu témana, munel henteu eusina, alus henteu basana, jeung naha biantarana téh ngandung wirahma atawa henteu). Dina ieu kagiatan, murid bisa dibagi jadi lima kelompok anu masing-masingna ngaanalisis salah sahiji unsur “TAMAN”. Leuwih réa conto anu diwanohkeun bakal leuwih variatif jeung leuwih hadé. Bab II 57 PITUDUH HUSUS Pa n g a j a r a n 8 GUGURITAN KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung guguritan. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Dina wangun tinulis, basa Sunda dimangpaatkeun ku para bujangga atawa pangarang keur ngarang guguritan, nu geus lumangsung ti abad ka-19 kénéh. Di awal pangajaran guru ngayakeun apersepsi atawa ngagali kamampuh awal murid patali jeung guguritan. Upamana ku nembangkeun sawatara guguritan nu maké pupuh anu populér. Upamana Kinanti, Sinom, Asmarandana, atawa Pucung. Contona baé guguritan “Éling-éling mangka éling”, atawa “Budak Leutik bisa ngapung”. Tuluy diayakeun tanya jawab, contona: “naha hidep kungsi ngadéngé éta guguritan? Di mana? Jeung sajabana. Alus upama tuluy nugaskaeun ka salah saurang murid pikeun nembangkeun éta guguritan di hareupeun kelas. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri guguritan ku cara némbongkeun sawatara rekaman, buku, atawa kliping koran/majalah nu kungsi wangun guguritan. Ditarékahan sangkan minat murid keur ngulik guguritan leuwih gedé tur timbul kapanasaranana pikeun hayang nyaho leuwih jero. Guru nepikeun tujuan pangajaran guguritan luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun ciri-ciri wangun puisi guguritan, bisa nataan pupuh nu dipaké keur nuliskeun guguitan sarta padika-padikana, bisa nembangkeun conto guguritan nu ngagunakeun pupuh nu populér, sarta bisa ngarang puisi guguritan dina wangun nu basajaran luyu jeung padika pupuh nu dipakéna.
  • 25. 56 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 37 Guru ogé bisa ngembangkeun modél pangajaran kolaboratif, nyaéta murid bisa silih babagi informasi, silih koréksi, atawa silih bantuan dina ngembangkeun hiji carita. 38 Hasil pagawéan murid tuluy dikoréksi sarta dipeunteun ku guru, anu tuluy disusun jadi portofolio. 39 Karya murid anu dianggap punjul bisa dipamérkeun ku guru, atawa di salurkeun pikeun bisa dimuat di média massa, dina raraga méré motivasi ka murid sangkan leuwih sumanget diajar. KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran carita pondok? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? Naha carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta. Guru méré saran sangkan murid resep maca carita pondok minangka bagian tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta carita. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara carita pondok dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra. Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara carita pondok Sunda, jeung geus bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta. Bab II 13 PITUDUH HUSUS 9 Sabada ngaanalisis conto biantara ku unsur “TAMAN”, guru méré pancén ka salah sahiji atawa dua urang murid pikeun ngagalantangkeun conto téks biantara nu aya dina bagian A. Dina ngagalantangkeun biantara, murid diperedih ngagunakeun unsur “TAMAN” téa sacara kréatif. Téks nu dibacakeunana teu kudu kabéh, tapi bisa dicokot lebah bagian-bagian anu pentingna baé. Ka murid anu geus nyobaan ngagalantangkeun éta biantara, guru méré aprésiasi anu hadé. D. Ngaanalisis Téks Biantara No Kagiatan 10 Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham perkara struktur jeung padika biantara. Sabada ngaanalisis struktur biantara dina Bagian B jeung ngaanalisis padika biantara dina bagian C, dina ieu sub-bab guru ngajak murid ngaanalisis hiji téks biantara kalawan kompréhénsip minangka latihan pikeun leuwih mikapaham dua aspék di luhur. Téks nu aya dina ieu sub-bab ngan keur conto baé. Guru atawa murid bisa néangan téks séjén nu sumberna tina réferénsi séjén (buku atawa internét) keur bahan analisis. 11 Guru ngabagi murid jadi opat atawa lima kelompok. Unggal kelompok dibéré tugas nu sarua, nyaéta nganalisis téks biantara ku cara ngajawab pertanyaan-pertanyaan nu aya dina buku murid (pancén 3 jeung pancén 4). 12 Guru méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu kurang kaharti. 13 Hasil analisis kelompok dilaporkeun kalawan susunan anu tartib, ngawengku: a. Téks biantarana atawa rekaman CD/Kasét. b. Jawaban pertanyaan kahiji ngeunaan struktur biantara. Dina ngajawab pertanyaan kahiji, murid bisa ngagunakeun tabel: Bubuka • Conto téks …………………………………........ • Conto paragraf …………………………………. • Conto omongan ………………………………....
  • 26. Eusi 14 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X • Conto téks ……………………………………… • Conto paragraf ………………………………… • Conto omongan ……………………………….. Panutup • Conto téks ……………………………………… • Conto paragraf ………………………………… • Conto omongan ……………………………….. c. Jawaban pertannyaan kadua nu mangrupa glosarium (daftar kecap jeung hartina). d. Jawaban pertanyaan katilu ngeunaan cara ngagalantangkeun éta biantara. Eusina nyaéta hasil tafsiran murid kumaha hadéna éta biantara ditepikeun. 14 Hasil analisis murid ku masing-masing kelompok dilaporkeun ka guru sarta ku guru dipeunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. Hasil évaluasina dilaporkeun deui ka murid sarta guru ngayakeun réfl éksi patali jeung hasil analisis murid. E. Nepikeun Biantara No Kagiatan 15 Dina ieu kagiatan murid latihan biantara anu prosésna dimimitian ku nyusun téks biantara sorangan nepi ka ngagalantangkeunana di hareupeun kelas. 16 Guru méré apersépsi ku cara ngélingan murid kana pangajaran nu geus ditepikeun saméméhna, utamana perkara kumaha nepikeun biantara anu hadé nu geus dibahas dina sub-bab “Padika Biantara” (bagian C). Guru ogé bisa méré deui conto rékaman CD atawa kasét nu biantara keur méré wawasan ka murid dina nepikeun biantarana. 17 Guru muka kasempetan ka murid pikeun ngayakeun tanya jawab patali jeung hal-hal nu can ngarti atawa can dipikapaham. 18 Guru méré pancén ka murid (Pancén 5) ngeunaan léngkah-léngkah nepikeun biantara, nyaéta: a. Milih topik. b. Nyusun téks jeung ngapalkeun téks. c. Ngéstokeun unsur-unsur TAMAN. d. Nepikeun biantara di hareupeunn kelas. Bab II 55 PITUDUH HUSUS 27 Hasil analisis bisa didadarkeun mangrupa éséy pondok. Anu susunanana bisa kieu: Paragraf 1 Æ nerangkeun téma carpon. Paragraf 2 Æ ngadadarkeun para palaku jeung pasipatanana. Paragraf 3 Æ ngadadarkeun latarna, jeung saterusna. 28 Murid tuluy maca carpon “Ada Main” karangan Darpan kalawan gemet di jero haté. Upama aya kekecapan nu kurang kaharti, murid dititah nyusun éta kekecapan nepi ka jadi glosarium, anu tuluy ditéangan hartina dina kamus. 29 Murid tuluy ngajawab pertanyaan nu patali jeung unsur carita minangka bahan keur nyusun éséy. 30 Murid sacara individual nyusun éséy dumasar kana jawaban atawa hasil analisisna. Dina nyusun éséy, murid diwawadian pikeun ngagunakeun basa Sunda anu merenah sarta ngéstokeun cara ngagunakeun éjahan jeung tanda baca anu bener. 31 Murid ngumpulkeun pancaénna sarta guru nyusun éta pancén jadi portofolio. G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini No Kagiatan 32 Dina ieu bagian, murid ditugaskeun pikeun ngarang carpon atawa fi ksimini kalawan ngagunakeun daya ciptana sorangan. 34 Saméméhna guru méré bekel aprésiasi ku cara mulangkeun deui ingetan murid kana carpon nu kungsi dibaca dina bagian saméméhna, jeung rupaning pangaweruh ngeunaan carpon atawa fi ksimini tina hasil diskusi. 35 Guru tuluy nugaskeun murid pikeun maca kalawan gemet dadaran dina Pancén 5. Guru ogé méré kasempetan ka murid pikeun nepikeun pertanyaan saupama aya hal-hal anu kurang kaharti. 36 Murid sacara individual dibéré kasempetan jeung kabbébéasan pikeun ngarang hiji carita pondok atawa fi ksimini sakumaha pamaredih Pancén 5. Aya hadéna lamun guru ngabébaskeun muridna pikeun néangan inspirasi sacara laluasa, upamana nitah murid kaluar ti kelas sarta niténan alam sabudeureun. Ti dinya, bisa jadi aya bahan anu katangkep ku pancaindra murid pikeun ditimbang-timbang jadi bahan carita.
  • 27. 54 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 22 Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3) KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4) KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu opat ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 4) 23 Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur nepikeun jawaban di hareupeun kelas. 24 Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun hasil diskusi kelompokna. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 25 Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru nyindekkeun hasil diskusi. F. Ngaanalisis Carpon No Kagiatan 26 Guru nerangkeun heula pancén naon nu kudu dipigawé ku murid sacara individual dina sub-bab F (Ngaanalisis Carpon). Murid disina maca carpon “Ada Main” dijero haté kalawan gemet, sarta tuluy dititah ngaanlasis unsur-unsur caritana. Cara ngaanalisisna bisa ngagunakeun analisis carpon “Kuburan” di bagian awal bab. Nyaéta, murid nyusun pertanyaan-pertanyaan nu patali jeung unsur carita. Upamana: - Naon téma caritana? - Saha waé palaku nu kacatur dina éta carita jeung kumaha pasipatanana? - Di mana latar tempatna jeung iraha latar waktuna? - Maké tilikan (point of view) saha éta carita dilalakonkeunana? - Kumaga galur caritana? - Naon amanat nu bisa kapetik sabada urang maca éta carita? Bab II 15 PITUDUH HUSUS 19 Sangkan sakabéh murid kabagéan nepikeun biantara di kelas, aya hal-hal anu kudu dititénan ku guru. Di antarana baé: a. Téks biantara murid kudu difokuskeun kana eusina, sedengkeun bubuka (mukadimah) jeung panutupna bisa saperluna baé. b. Durasi biantara murid ulah lila teuing (cukup 2-3 menit). c. Lantaran biantara téh “art of speech”, kalimah-kalimah biantara nu disusun ku murid kudu réa direumbeuy ku mamanis basa (upamana diselapan ku sisindiran, kalimah-kalimah pinilih/”kata-kata mutiara”, babasan jeung paribasa, jsb.). Dina ieu prosés guru sacara aktif jadi fasilitator ku cara méré bahan, méré référénsi, atawa méré saran sangkan téks biantara nu dikarang ku murid munel eusina. 20 Guru ngadesain ruangan kelas sangkan waktuna murid biantara enya-enya siga nyanghareupan publik/jalma réa. Upamana ku cara nempatkeun podium di hareupeun kelas keur tempat biantara murid. Podium bisa dijieun atawa dirékayasa tina barang-barang anu basajan. Bisa ogé nyadiakeun mic (boh enyaan lengkep jeung spikerna, boh ukur bobohongan). 21 Murid nepikeun biantarana saurang-saurang kalawan ngéstokeun unsur “TAMAN” sarta nitah murid nu ngabandungan méré réspon anu positif, upamana ku cara méré keprok. Dina ieu prosés Guru méré peunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. KAGIATAN PANUTUP Dina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran biantara, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana. Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham perkara biantara. Contona nitenan rupa-rupa cara tokoh biantara, siga nu sok katongton dina televisi atawa kasaksian dina hiji acara/kagiatan, tuluy dibanding-banding jeung pangaweruh nu geus kacangkem ku dirina. Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara biantara dina basa Sunda.
  • 28. Pa n g a j a r a n 2 PAGUNEMAN 16 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X KAGIATAN AWAL Dina awal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran paguneman. Guru ogé bisa ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru umajak sangkan dina ngayakeun komunikasi téh ulah urang poho kana tatakrama minangka wujud tina silih hargaan papada jalma. Dina lawungan mimiti guru ngajak murid paguneman ngeunaan hiji perkara anu keur aktual sarta paguneman dipungkas ku guru ku nepikeun “pernyataan” yén éta téh conto paguneman nu biasa dilakonan ku urang dina kahirupan sapopoé. Ti dinya guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri paguneman ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman paguneman. Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara paguneman dina basa Sunda. Guru nepikeun tujuan pangajaran paguneman luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid mikawanoh wangun-wangun téks paguneman, bisa ngaanalsis aspék-aspék kabasaan paguneman dina rupa-rupa situasi, bisa mikapaham aspék-aspék undak-usuk basa Sunda nu nyampak dina paguneman, bisa nyusun téks paguneman sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, sarta bisa mintonkeun paguneman di hareupeun kelas. KAGIATAN INTI A. Maca Téks Paguneman No Kagiatan 1 Murid diwanohkeun kana dua conto téks paguneman. Murid dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa nu digunakeunana, bentuk pagunemanana, para palaku pagunemanana, jeung sajaba ti éta. Bab II 53 PITUDUH HUSUS 16 Dina proses diskusi guru nyadiakeun tabél matrikulasi (bisa digambar dina bor atawa dina média séjén). Guru tuluy nanya atawa nunjuk sacara acak murid ti unggal kelompok pikeun nepikeun hasil pagawéanana. Jawaban ti murid bisa didiskusikeun deui jeung nu séjén nepi ka kapanggih jawaban nu leuwih lengkep (sampurna). Guru bisa ngalelempeng mun aya nu kudu dikoréksi. Hasil jawaban murid diasupkeun kana tabél matrikulasi keur dipaké dasar dina nyieun kacindekan diskusi. 17 Guru nyindekkeun hasil diskusi. E. Fiksimini Sunda No Kagiatan 18 Guru nitah murid maca pedaran awal bagian E (Fiksimini Sunda) kalawan gemet, sarta maca conto-conto fi ksimini Sunda karangan Hadi AKS nu judulna “Lebaran Ahéng”. Guru bisa ogé néangan conto fi ksimini séjén anu dianggap leuwih luyu jeung kaayaan lingkungan murid. Hadéna disadiakeun kamus Basa Sunda bisi aya kekecapan nu kurang kaharti ku murid. 19 Guru bisa ogé nyontokeun cara maca fi ksimini bari digalantangkeun, atawa nitah murid nu boga kamampuh maca bedas anu alus. Ieu tarékah téh keur ngahégar-hégar suasana pangajaran, atawa minangka selingan sangkan kagiatan diajar leuwih dinamis. 20 Sabadana, murid dibagi jadi 4 kelompok sarta unggal kelompok murid disina néangan jawaban tina 4 pertanyaan nu nyampak dina Pancén 3. Hiji kelompok kudu ngajawab hiji pertanyaan kalawan daria ngaliwatan prosés diskusi. 21 Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator atawa jadi sumber informasi upama dibutuhkeun. Guru bisa ngagunakeun model pangajaran anu dinamis. Upamana, sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 4. Di kelompok anyar bakal nyampak opat jawaban murid.
  • 29. C. Kamekaran Carpon No Kagiatan 52 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 11 Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian C (sub-bab Kamekaran Carpon) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus. 12 Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking dina diskusi saméméhna. Sacara Individual, murid ogé bisa ditugaskeun néangan informasi perkara buku-buku kumpulan carpon Sunda, pangarangna, sarta taun terbitna, dina raraga ngajembaran pangaweruh ngeunaan kamekaran carpon Sunda. 13 Minangka alternatif, murid ditugaskeun keur néangan hiji carita pondok anu alus ajénna, néangan biografi jeung poto pangarangna, sarta didesain sangkan bisa ditémpélkeun atawa diwanohkeun ka nu lian. Alusna mah dipilih pangarang anu mémang geus moyan sarta karyana pinunjul. Guru tuluy milih sawatara hasil pagawéan muridd pikeun “dipamérkeun” di ruang kelas, minangka tarékah ngawanohkeun karya sastra Sunda jeung pangarangna. D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng No Kagiatan 14 Guru ngabagi murid jadi genep atawa tujuh dalapan pikeun migawé pancen 2 dina bagian D, nyaéta néangan bébédaan antara carita pondok jeung carita dongéng. Murid diaping ku guru pikeun manggihan éta bébédaan dina prosés diskusi. 15 Guru nerangkeun tugas masing-masing kelompok. Unggal kelompok ditugaskeun keur néangan bebedaan antara carita pondok jeung carita dongéng. Lembar kerjana bisa ngagunakeun tabél dina Pancen 2. Dina ieu diskusi, murid ngalengkepan titik-titik dina tabél. Sabada réngsé diskusi di kelompokna, murid néangan pasangan kelompok séjén pikeun ngabanding-banding hasil diskusina, nepi ka kawangun kelompok-kelompok anyar nu mangrupa gabungan tina kelompok awal (3 atawa 4 kelompok). 2 Murid ngabanding-banding téks paguneman kahiji jeung kadua. Bab II 17 PITUDUH HUSUS 3 Murid dibagi kana opat atawa lima kelompok, anu tugas unggal kelompokna nyaéta ngajawab pertanyaan nu aya dina pancen 1. 4 Murid ngayakeun diskusi kelompok keur ngajawab pertanyaan dina pancen 1. 5 Sabada diskusi, unggal kelompok nu diwakilan ku juru caturna séwang-sewangan nepikeun laporan hasil diskusi. Guru nyindekkeun unggal jawaban kelompok nomer per nomer nepi ka aya jawaban anu pertéla tina unggal pertanyaan. Hadéna guru geus nyadiakeun tabel pancén 1 ti anggalna dina fi le komputer atawa dina bor sangkan unggal jawaban kelompok langsung katémbong sarta langsung bisa dibanding-banding. B. Ngaanalisis Paguneman No Kagiatan 6 Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab nganalisis paguneman). Murid ngaasosiasikeun jawaban dina diskusi kelompok nu geus dibahas ku guru jeung rupaning informasi nu nyampak dina bagian B. 7 Sabadana, guru méré pedaran singket ngeunaan paguneman ku cara museurkeun pedaran kana dua masalah inti, nyaéta situasi resmi jeung teu resmi dina paguneman sarta undak-usuk basa dina paguneman. Éta dua masalah dina paguneman téh boga implikasi séwang-séwangan tur kudu jadi perhatian keur nu ngalaksanakeun paguneman. 8 Patali jeung undak-usuk basa dina paguneman – anu ogé disebut tatakrama basa – guru méré pancén ka murid pikeun ngimeutan kecap-kecap loma jeung lemes dina téks paguneman kahiji, lantaran di dinya nyampak kecap-kecap lemes (boh lemes keur sorangan boh lemes keur ka batur) nu dipaké ku palaku paguneman. Sacara individual murid sina maluruh kekecapan lemes dina éta paguneman, tur hasilna didiskusikeun (diakurkeun) jeung hasil analisis babaturanana (tingali Pancén 2).
  • 30. 18 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 9 Guru nyindekkeun pedaran yén saéstuna paguneman urang sapopoé téh henteu leupas tina dua aspék, nyaéta aspék formal henteuna, jeung aspék tatakrama. C. Paguneman dina Karya Sastra No Kagiatan 10 Saéstuna sub-bab C leuwih neueulkeun dadaran paguneman nu aya patalina jeung aprésiasi karya sastra, boh prosa, puisi, jeung drama. Ku hal, éta pedaran paguneman dina ieu bagian mah ngala wangunna wungkul, sedengkeun pedaranana bisa dipatalikeun atawa dijembaran kana soal-soal aprésiasi sastra. 11 Aya tilu paguneman dina ieu bagian, nyaéta paguneman dina prosa, dina puisi, jeung dina drama, lengkep jeung pancénna séwang-séwangan. Éta tilu bahan téh keur diskusikeuneun murid. 12 Guru ngadadarkeun pancén anu kudu dipigawé ku murid. Saméméhna, sakabéh murid kudu maca heula tilu conto paguneman nu nyampak dina buku. 13 Dina prakna ngaanalisis paguneman dina karya sastra, guru ngabagi kelompok murid jadi genep kelompok. Dua kelompok ngadiskusikeun paguneman dina prosa, dua kelompok ngadiskusikeun paguneman dina puisi, sarta dua kelompok deui ngadiskusikeun paguneman dina drama. Dua kelompok anu bahan diskusina sarua sina diskusi séwang-séwangan heula dina kelompokna masing-masing. Alat analisisna nyaéta pancen 3, pancén 4, jeung pancén 5. a. Pancén 3 (keur kelompok 1 jeung 2) ngarobah kalimah-kalimah langsung dina téks jadi bentuk paguneman tanya jawab. b. Pancén 4 (keur kelompok 3 jeung 4) nyieun parafrase tina puisi kana bentuk prosa. c. Ngaanalsis onjoyna (atawa kaunikanana) paguneman dina drama jeung nangtukeun tujuan ditulisna téks drama. 14 Sabada unggal kelompok réngsé migawé pancénna, kelompok 1 jeung 2 ngagabung keur ngabanding-banding hasil pagawéanana séwang-séwangan nepi ka aya persépsi anu sarua. Dina ieu rposés, lumangsung deui diskusi dua kelompok. Kitu deui kelompok 3 jeung 4, sarta kelompok 5 jeung 6, migawé diskusi anu sarua keur nyaruakeun persépsi. Bab II 51 PITUDUH HUSUS 4 Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur nepikeun jawaban di hareupeun kelas. 5 Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi). 6 Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru nyindekkeun hasil diskusi. B. Unsur-unsur Carita Pondok No Kagiatan 7 Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana struktur carita pondok nu ngawengku Jejer (téma), palaku, latar (setting), puseur sawangan (point of view), galur carita (plot), jeung amanat carita. 8 Sangkan aya dinamika, guru bisa ngabagi-bagi deui pedaran dina bagian B luyu jeung kelompok-kelompok diskusi saméméhna. Upamana kelompok 1 nu ngajawab pertanyaan nomer 1 sina ngaderes pedaran bagian (a), kelompok 2 ngaderes bagian (b), jeung saterusna. 9 Sabada ngaderes pedaran, unggal kelompok nepikeun pamadeganana atawa kacindekan kelompokna ngeunaan bagian-bagian struktur carpon. Waktu hiji kelompok nepikeun pamadeganana, kelompok séjén bisa mairan. Bisa ngalelempeng, nambahan, atawa nepikeun pertanyaan. 10 Upama diperlukeun, guru méré apingan atawa nambahan katerangan tina hasil diskusi murid, sarta antukna nyindekkeun hasil diskusi sacara umum.
  • 31. Tahap I Tahap I 50 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Tahap II Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X KAGIATAN INTI A. Maca Carita Pondok No Kagiatan 1 Murid diwanohkeun kana conto karangan carita pondok nu judulna “Kuburan” karangan Trisna Mansur. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan panjang pondokna karangan. Kumaha kalimah mimitina, kumaha judulna, jeung sajabana 2 Murid tuluy disina maca éta carpon di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda. 3 Sabada bérés maca carpon “Kuburan”, murid dibagi jadi sawatara kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Jumlah kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun jadi 8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid. Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap: KELOMPOK 1 (Ngajawab pertannyaan nomer 1) KELOMPOK 2 (Ngajawab pertannyaan nomer 2) KELOMPOK 3 (Ngajawab pertannyaan nomer 3) KELOMPOK 4 (Ngajawab pertannyaan nomer 4) KELOMPOK 5 (Ngajawab pertannyaan nomer 5) KELOMPOK 6 (Ngajawab pertannyaan nomer 6) KELOMPOK 7 (Ngajawab pertannyaan nomer 7) KELOMPOK 8 (Ngajawab pertannyaan nomer 8) KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1 nepi ka pertanyaan nomer 8) Sabadana, guru nunjuk wawakil ti kelompok 1 jeung 2, 3 jeung 4, sarta 5 jeung 6 pikeun nepikeun présentasi hasil diskusi. Unggal kelompok bisa silih pairan. Hasil diskusi anu dipiharep kira-kira kieu: a. Prosa: Édo : Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!: Samsu : Iraha ka dieu, Jang? Suganda : Tadi, nyubuh. Samsu : Geuning kamari teu béja-béja? Bab II 19 PITUDUH HUSUS (Suganda teu némbal) Samsu : Teu ka sakola? Suganda : Permios sadinten ieu. Samsu : Aya naon? Suganda : Badé diparios dokter. Samsu : Ku naon, gering? Suganda : Badé diala getih. Samsu : Diala getih? Naha? Suganda : Kanggo .... Samsu : Keur Enéng? (Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkeun, nyekel taktak Suganda. Teu lemek teu nyarék. Ngan socana baé baseuh) Édo : Teu nyeri Jang, diala getih téh? Suganda : Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa. Édo : Naha nya, maké dipariksa heula sagala...? Suganda : Bisi teu aakur kapan? Édo : Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua getih jelema téh? (bari ngarérét ka Bapa Naib). Suganda : Bisi teu akur golonganana... Pan aya golongan A, golongan B, golongan... naon deui. b. Puisi: Aya budak nanya ka indungna perkara eusi langit, di mana tungtung langit, jeung nanya soal béntang anu baranang. Ari dijawab ku indungna majar téh cenah langit téh teu jauh ti dada ema, eusina napas jeung getih. Ari bentang pajarkeun téh teu jauh ti Si Ujang. Budak téh nanya deui, cenah ari nu boga langit téh saha, kitu deui béntang anu baranang, bulan, beurang jeung peutingna, éta téh saha nu bogana? Ari jawab indungna, cenah éta kabéh ogé bogana Si Ujang, paéhna, hirupna, kabéhanana ogé bogana Si Ujang.
  • 32. 20 Pamekar D Diajar BASA SUNDA Buku Tut Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X 15 Lamun dihartikeun mah éta puisi téh ngagambarkeun kanyaah indung ka budakna. Indungna nganggap sagala nu aya di ieu alam dunya téh saolah-olah milik SI Ujang, budak nu dipikanyaahna. c. Drama: Onjoyna atawa kaunikan éta naskah drama téh di antarana: 1) Paguneman dibarengan ku rupa-rupa pituduh. Upamana pituduh ngeunaan paripolaah palaku. Pituduh keur nyiptakeun adegan di panggung, pituduh ka saha omongan ditujulkeun, jeung sajabana. 2) Basa nu digunakeun dina paguneman drama mah diréka, henteu sahinasna siga paguneman biasa. Malah sok diciptakeun adegan anu dramatis. Contona omongan Tanuwijaya ieu di handap! TANUWIJAYA : (KA PURAGABAYA jeung PANATAYUDA) Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh. Musuh keur kadieukeun. 3) Para palaku jeung sawatara pituduh dittulis maké hurup kapital kabéh. Saolah-olah hayang tétéla jeung méré akséntuasi (penegasan). Biasana téks drama mah ditulis keur dipanggungkeun. Ku sabab éta, pagunemana ditulis kalawan diréka sangkan engké mun dipanggungkeun matak kataji anu nongton. 16 Guru nyindekkeun pangajaran yén wangun-wangun paguneman téh bisa kapanggih dina rupa-rupa bentuk jeung keur rupa-rupa kaperluan. Dina karya sastra bentuk-bentuk paguneman téh bisa kapanggih dina prosa, puisi, jeung drama, anu ditulis ku pangarang keur rupa-rupa tujuan. 17 Guru méré saran ka murid sangkan macaan deui paguneman dina karya sastra anu nyampak dina buku atawa karya sastra séjén di luar conto buku téks. Tujuanana, sangkan murid leuwih paham kana wangun paguneman dina karya sastra sarta pikeun milu ngaaprésiasi karya sastra Sunda nu winangun prosa, puisi, jeung drama. D. Nyusun Téks aguneman No Kagiatan 18 Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham kumaha nyusun dialog atawa paguneman dina wangun tinulis. Wangun paguneman siga kitu téh sok kapanggih dina karangan-karangan prosa, upamana dina dongéng, carpon, atawa novel. Nyusun paguneman sarupa kitu téh mangpaat pisan lamun urang keur diajar ngarang. Tapi téhnik nyusun dialog sarupa kitu téh henteu babari. Butuh latihan anu daria. Bab II 49 PITUDUH HUSUS Pa n g a j a r a n 7 WAWANCARA KAGIATAN AWAL Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu patali jeung carita pondok (carpon). Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus dimangpaatkeun ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana dipaké keur nuliskeun karya sastra samodél wawacan, novel, sajak, atawa carita pondok. Ti dinya guru bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid, upamana karangan naon baé nu kungsi di bacana, ti mana sumberna, iraha macana, jeung sajabana. Pertanyaan tuluy leuwih difokuskeun kana hal-hal nu patali jeung carita pondok. Upamana naha kungsi maca carpon, naon judulna, saha pangarangna, ti mana sumberna, jeung sajabana. Éta kabéh pertanyaan téh bisa dianggap apersépsi keur ngagali kamampuh jeung pangaweruh awal murid ngeunaan wanda karangan carita pondok. Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri carita pondok ku cara némbongkeun buku atawa karangan carpon nu kungsi dimuat di rupa-rupa média, upamana tina koran, majalah, atawa internét. Guru nepikeun tujuan pangajaran carita pondok luyu jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa ngabédakeun wangun carpon jeung dongéng atawa carita wayang nu geus diulik di bab saméméhna, bisa ngaanalisis struktur carita carpon, mikapaham sajarah kamekaran carita pondok Sunda, sarta bisa ngarang carita pondok Sunda dina wangun nu basajan.