1. CARPON SUNDA HILMAN NUGRAHA
kaca| 1
USTADZ MUHIDIN
( SAGALANA BAKAL AYA BABALESNA )
Dicaritakeun di desa pamengpeuk yèn aya Ustadz nu kasohor kanu Da’ina,
Jenenganana nyaeta Ustadz Muhidin. Anjeuna sering di ondang ku para jama’ah kanggo
tausiahna, Ustadz Muhidin teh sok ngada’i tina hajatan , seminar, jeung acara pangajian -
pangajian. Dina hiji mangsa anjeuna di ondang ku dua acara nyaeta ka daerah Bojong,
kanggo tausiah dina hajat salah sahiji anggota tina jama’ahna , sareng Katapang nyaeta acara
seminar pendidikan .Ustadz Muhidin mios ka Bojong heula sabab acarana nu bakal mimiti di
laksanakeun kadituna tumpak kana mobil Honda CR-Vnu kaluaran ter - anyar ti jaman harita.
Sabab jarak bumi UstadzMuhidin ka Bojong teh lumayan jauh kira-kirana 24km. Anjeuna
angkat ti bumi tabuh 06:00 subuh sabab pangajiana bade di laksanakeun tabuh 08:00. Mun ka
daerah Katapang mah tabuh 12:00 kanggo acara panutupan tina acara Seminar Pendidikan.
Ustadz Muhidin teh salami perjalanana mendakan rupi-rupi kajadian nu teu di
pikahayang ku salarea, nyaeta dina sabada nepi ka eta tempat teh Ustadz Muhidin ngalaman
kacilakaan nyaeta di tabrak ku beca tina parapatan Kabupaten nepi eta mobil anu terayar teh,
parenyok bodina. Kieu kronologina :ti imah na indit tabuh 06:00 sajajalan teu pati loba
kendaraan sabab harita mah nu make tutumpakan teu pati loba.Tabuh 07:00 UstadzMuhidin
karek nepi ka gading 10 menit salajengna kaayaan jalan jadi macet sabab loba kandaraan
anurekreasi ka Kabupaten kabeneran hal eta kajadiana keur poe minggu atuh loba jalma anu
lari atawa shopingg ka eta tempat. “Mereun ieu cobaan Alloh keur jalan nu bener mah” kitu
ucapna cek eta Ustadz bari ngusap dadana nyirikeun kasabaranana.Sabari ngajalan keun
mobil bari ayap- ayapan jeung sora klakson timana mana, kajadian nu teu di pikahang
tehngadatangan kana takdirna. .
Kira-kira tabuh 07:56 mobil Ustadz Muhidin teh karek nepi ka Kabupaten tepat na
deuket ka parapatanaatuh loba jalma nu minuhan eta tempat sanajan di sisi jalan, di lain
tempat “Mang beca ka Pom Bensin sabaraha ? “ Tanya ibu Rokayah bari mawa balanjaan
hasil tina barang beulina. “5000 bu “ tembal tukang beca bari nunduk sabari ngomong
lalaunan. “Naha mahal mahal teuing?” tembal Bu Rokayah, “Ah, da sakitu biasana ari poe
minggu mah komo bari mawa barang anu loba kieu”.tembal tukang beca bari sorana
ngatarikan di banding dina ucapana nu ka hiji. “Nya engges atuh (bari ngasongkeu duit ka
tukang beca)” tembal Bu Rokayah bari ngadusdis tea jiga nu te rido mere duitna. “Di tampi
2. CARPON SUNDA HILMAN NUGRAHA
kaca| 2
Bu” tembal deui tukang beca. Terus Bu Rokayah nembal kieu ”Gancangan mang rusuh,
budak di imah can di bere dahar”. Teu lila ti eta beca na maju bari lalaunanda loba jalma tea.
Ustadz Muhidin tehkarek nepi ka Parapatan Kabupaten teu lila ti eta anjeuna ditabrak
ku tukang beca nu tadi tea, Teee....t eta sora klakson nu kaluar tina mobil Ustadz Muhidin, eta
beca najan maju lalaunan jol mengkolkeun maneh Jegge.....r weh terus nabrak eta mobil nu
di pake ku Ustadz Muhidin teh. seueuet eta beca langsung malik, atuh eta mobil tepatna dina
bodi mobil sisien ban nu di harep pabelah katuhu penyok nyanghareupan jadina panjang
sabelah dibanding jeung sisina, sabari kajadian eta berlangsung mangpirang –pirang ucapan
kaluar ti sababaraha jalma nu aya dina eta tempat kajadian, “(bari ngajonghak ) Astagfirulloh
hal adzim” eta ucapan anu kaluar ti Ustadz Muhidin. “Adeeh duh ah (bari labuh ka sisi
jalan)” tembal tukang beca. “Alah konci murag konci murag siah (bari nyepeng ka lawang
beca)” kitu ceuk bu Rokayah najan latah ngomongna terus manehna turun tina eta beca bari
ngomong deui “Ari emang kunaon ieu teh?”.untungna ngan tukang beca hungkul nu labuh ka
sisi jalan. “ Mang teu nanaon mang kade atuh bisi labuh” tembal jalma nu nyamperkeun ka
tukang beca. “Aya naon..aya naon” tembal sabaraha jalma nu keur olahraga dina eta tempat.
Aduh keur mah di tempat nu raeng ku jalama aya kajadian hal eta sakeudeng loba jalma nu
ngariung minuhan eta tempat anu keu balanja gè maksakeun hanyang ningali eta kajadian.
Ustadz Muhidin kaluar dina mobil dèk nyanghareupan eta tukang beca, loba jalma nu
ngaharewos ka babaturanana diantawisna : “Alah eta mah kudu di gantian, jabaning teu
sabaraha panghasilan tukang beca mah”. Jalama- jalma nu keur ngariung mantuan tukang
beca buru buru mere jalan (nyaringkah da sieun di salah keun ). Sabari ngagerakkeun lengeun
nu katuhuna “Kadieu- kadieu jang” ceuk Ustadz Muhidin teh. “Muhun pa” (sabari cengkat
terus nyampek keun ka ustadz muhidin) tembal tukang beca da ngarasa salah tea. “Ieu teh di
haja? “ Tanya ka tukang beca ceuk ustadz muhidin. “Ha...” ceuk tukang beca jeng loba jalma
nu ngabogaan perasaan kitu. “Hapunten Pa abdi mah henteu ngahaja hayang kieu teh pa sing
su sing dem suer dech” tembal tukang beca bari bengeutna melas tea, “urang teh Ustadz deule
tong ngabohong ka Ustadz mah, cing sakali deui ieu teh teh di haja?” tembal ustadz Muhidin
ka tukang beca. “Cing sumpah demi Allohna pa henteu tadi penumpangna ngajak rurusuhan.
” Ucap ceuk tukang beca ngan ayeuna mah aya kecap demi Alloh sangges kitu ustadz
Muhidin bari seuri “nya engges atuh ari kitu mah, lanjutkeun deui weh perjalanan teh keun
lah meren kudu kieu jalana ti Alloh teh?” tembal ustadz Muhidin bari nyepeng dadana, terus
asup deui ka mobil jeung neruskeun perjalanana da ges deket ka tempat tujuan sabari
3. CARPON SUNDA HILMAN NUGRAHA
kaca| 3
mobilna dina kaayaan kitu, teu lila ti eta ustadz muhidin nepi kanu hajat terus markirkeun
mobilna.
“Allhamdulillah al Ustadz parantos dongkap ku kituna manga, ka al Ustadz di
paparinan waktos kanggo tausiahna.” Ceuk narator eta nu hajat.Terus ustadz Muhidin teh
naek ka eta panggung anu geus di sadiakeun keur tausiahna. Saengges ti eta ustadz Muhidin
beres mere tausiahna kanu hajat kira- kira tabuh 10:25.”Ustadz ijin bade pamitan yen aya
acara deui di tempat nu sanes na kanu boga hajat bari sasalaman, terus ustad Muhidin teh
nyamperkeun ka tempat parkiran mobilna. Loba jalma nu ngariung “Punten.... puten” ceuk
ustadz Muhidin bari tutundukan , “alah Ustadz... ku naon ieu mobil teh” tembal ibu – ibu.
“Ah... Ieu di tabrak ku tukang beca di parapatan”tembal ustadz Muhidin.” Di kumaha keu eta
tukang beca na “ tembal ceuk para Pamuda. “Ah.. . Di titah balik weh” tembal deui, “Mun
urang mah meren teu geus di jejek ta tukang beca teh” tembal ibu –ibu, “keun wios bu da
ditanya teh teu di haja Jabaning make demi alloh sumpahna ge” tembal ustadz Muhidin. Ieu
atuh Ustadz teu sabaraha ieu mah sugan weh bias bener deui mobil teh” tembal salah sahiji
ibu- ibu bari ngasongkeun duit, ningali hal eta loba jalma nu ngilu ngasongkeun duitna ka
ustadz Muhidin teh ”Oh... ieu balesan ti Alloh teh” kitu kecap ustadz Muhidin dina jero
hatena. “Aduh jadi ngarepotkeun ieu teh hartur nuhun ka sadayana” tembal ustadz Muhidin..
Teu lila ti eta leungeun ustadz Muhidin pinuh ku eta nu mere duit ka ustadz Muhidin teh.
Buru buru anjeuna ngasupken kana mobil kusabad ningali kana waktu geus berang da sieun
ka berangan ka Katapang.
Sabari di pejalanana Ustadz Muhidin teh mukaan eta amplop terung ngitung
sakabehna terus di jumlahkeun jeung amplop na hajat aya kana Rp.4.563.000.”Alhamdulillah
Ah...moal waka di benerkeun urang bawa weh ka tempat hiji deui, susuganan weh aya
tambahanana” omongan ustadz Muhidin bari keur nyetiran mobilna. Di jalan loba nu
melongkeun kana mobilna ustadz Muhidin ngan nembal ku lesung pipina. Teu beda jauh
saacan nepi kana tempat nu kahiji
Tabuh 11:35 Ustadz Muhidin geus nepi ka eta tempat nu pinuh ku mangpirang pirang
pelajar tiwit smp dugi ka mahasiswa malahan aya keneh dugi di anteur ku kolotna, bener weh
mobilna ge di riung ku loba jalma sabari aya pamuda nu nyarita “ Pa Ustadz ka bengkel ieu
di jalan ieu lumayan ngalereskeun ka dinya mah rada mirah lah sakedik mah sareng aya
rerencanagan abdi nu di damel didinya okona mah moal hariwang”. Di Katapang Anjeuna
menang lewih loba nu mere amplop di banding tempat nu kahiji,di itung itung teh sakabehna
4. CARPON SUNDA HILMAN NUGRAHA
kaca| 4
terus di jumlahkeun jeung amplop tina seminar dugi ka Rp5.000.000 na terus di jumlahkeun
jeung nu tadi nyaeta Rp.4.563.000 +Rp.5.000.000 = Rp.9.563.000. “Alhamdulillah Ya
Robbisugan weh mobil teh bisa bener deui” tembal ustadz Muhidin.
Anjeuna mulih deui ka bumina teu ngalewatan jalan nu sarua nurutkeu sunah Rosul.
Sabari neangan bengkel nu bisa menerkeun . di papay tiap tiap bengkel nu ieu di tanya? 7jt,
“Ah terus weh da bengkel mah loba keneh” tembal ustadz Muhidin. Bengkel ieu lumayan
rada turun 5jt “ah terus weh” ceuk Ustadz Muhidin deui . Geus sababaraha bengkel anjeuna
inget ucaan ti pamuda nu ngabejaan tempat babaturanana tadi buru buru neangan eta tempat
sabari ngiget nginget patunjuk ti pamuda tadi bener weh. Ngan 3jt di tempat ieu mah “Aduh
Pa ieu mah bisa rada lami ngalereskeuna” ucap nu boga bengkel eta, “urang teh Ustadz deule
emang sabaraha poe” tembal Ustadz Muhidin. “Muhun Pa, paling kana 4 poean Pa ari moal
waka di anggo mah” tembal tukang bengkel.”Eh.. justru butuh matak hayang buru buru oge”
tembal ustadz Muhidin.” Muhun Pa Urang usahakeun jeung ku abdi di mirahkeun Pa da
pedah lami tea janten 2,5jt” tembal tukang bengkel. Geus nego- nego akhirna bijil
kasepakatan yèn mobil Ustadz teh bakal di benerkeun salami 3 poe saharga 2,5jt. Terus
anjeuna mayer ka eta tempat 1 jt ke sesana angges beres, “Hatur nuhun pa” tembal tukang
bengkel.
Tuh jadi mun urang nyangharepan masalah kudu di barengan inget ka alloh S.W.T
jeung ka sabaran sapertos panagalaman Ustadz Muhidin. Najan mobilna penyok sabelah
anjeuna tetep kana sabar jeung karidhoan ka Allah S.W.T, Dibanding Nyi Rokayah nu
nyangharepan masalah teh di gugu ku hawa nafsu jeung karussuhan tungtungna manehna
ngalam kajadian nu ngarugikeun ka salarea.
NB : Masalah naon nu bakal di sanghareupan deui ku ustadz Muhidin,,, Antosan!!!
Wassalamualaikum Wr.Wb