1. BADAN PENGURUS YAYASAN
LEMBAGA BASA JEUNG SASTRA SUNDA (LBSS)
(Akta Notaris Komar Andasasmita No. 23 Tanggal 14 April 1988)
Sekretariat: Jl. Dr. Setiabudhi No. 228, Telpon (022) 2016922 Bandung 40143
Nomer : 17/LBSS/II/2022 Bandung, 11 Fébruari 2022
Hal : Uar Pangajak Ngareuah-reuah Poé Basa
Indung Internasional Taun 2022
Lampiran : Salembar
Kahatur Pangersa
Bapa Bupati Sukabumi
di Palabuhanratu
Sinareng hormat,
Mugia Bapa/Ibu ginanjar kawilujengan sareng tansah kénging panangtayungan ti Gusti nu Maha
Suci. Amin!
Sapertos taun-taun sateuacanna, LBSS umajak ka sakumna masarakat kanggo ngiring ngareuah-
reuah Poé Basa Indung Internasional, anu lumangsung unggal-unggal kaping 21 Fébruari. Hal ieu
sajalan sareng pangjurung Unesco – Badan PBB anu ngurus atikan, paélmuan, sareng
kabudayaan, anu tos netepkeun unggal-unggal kaping 21 Fébruari minangka Poé Basa Indung
Internasional (International Mother Tongue Day). Éta katetepan Unesco téh minangka tarékah
miara rébuan basa indung di sakuliah dunya sangkan ajén-inajénna sareng kaarifan lokalna anu
generik henteu musna.
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) minangka organisasi sosial anu mibanda tujuan hoyong
ngamumulé basa sareng sastra Sunda sangkan hirup bari huripna, gaduh visi anu salaras sareng
katetepan Unesco. LBSS miharep kagiatan ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional téh
janten rawayan kanggo urang Sunda pikeun micinta, miara, sareng ngamumulé basa Sunda
minangka basa indungna.
LBSS kalayan hormat ngalangkungan ieu serat seja umajak ka Bapa/Ibu Bupati/Walikota di
wewengkon Jawa Barat sareng di wewengkon sanésna anu kaleresan masarakatna nganggo basa
Sunda, supados ngamangpaatkeun moment miéling Poé Basa Indung Internasional dina ping 21
Fébruari 2022 kanggo neguhkeun kahanan (eksistensi) basa Sunda minangka bagian tina
kabeungharan kabudayaan nasional.
Ieu uar pangajak téh sajalan ogé sareng rupaning aturan perundang-undangan nu kiwari
dijalankeun di Nagara Kesatuan Républik Indonésia. Antarana baé:
a. Undang-Undang Dasar (UUD) Negara Republik Indonesia Taun 1945 BAB XIII Pasal 32 ayat
(2) anu nétélakeun “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai
kekayaan budaya nasional”.
b. Undang-Undang (UU) No. 24 taun 2009 ngeunaan “Bendera, Bahasa, dan Lambang
Negara, serta Lagu Kebangsaan”, pasal 42 ayat (1) nétélakeun yén “Pemerintah daerah
wajib mengembangkan, membina, dan melindungi bahasa dan sastra daerah agar tetap
memenuhi kedudukan dan fungsinya dalam kehidupan bermasyarakat sesuai dengan
perkembangan éaman dan agar tetap menjadi bagian dari kekayaan budaya Indonesia”.
Sedeng dina ayat (2) ditétélakeun “Pengembangan, pembinaan, dan perlindungan
sebagaimana dimaksud pada ayat (1) dilakukan secara bertahap, sistematis, dan
berkelanjutan oleh pemerintah daerah di bawah koordinasi lembaga kebahasaan”.
c. Undang-Undang (UU) No. 5 Taun 2017 ngeunaan “Pemajuan Kebudayaan” anu
merenahkeun “basa” minangka salah sahiji obyék pemajuan kebudayaan, ngawengku
basa Indonésia sareng basa daérah (Pasal 5 sareng penjelasanana). Kalih ti éta Pemda
2. Kabupatén/Kota sareng Provinsi gaduh kawajiban nyusun Pokok Pikiran Kebudayaan
Daerah sareng stratégi ngajalankeunana minangka bagian tina Rencana Induk Pemajuan
Kebudayaan di tingkat nasional.
d. Peraturan Pemerintah (PP) No. 57 taun 2014 pasal 21 ogé negeskeun yén ngabina basa
daérah bisa dijalankeun ku cara ngajalankeun pangajaran basa daérah di tingkat
pendidikan dasar jeung menengah sarta pamaréntah wajib méré fasilitas keur éta
kagiatan. Sumanget ieu PP ogé saluyu sareng jaminan dina UU No. 20 taun 2003 ngeunaan
Sisdiknas anu ngawenangkeun ayana pangajaran muatan lokal.
e. Peran Kepala Daérah dina ngamumulé sareng mekarkeun basa nagara sareng basa daérah
sacara husus ogé diatur dina Permendagri No. 40 taun 2007. Dina Bab II Pasal 2 hurup (b)
ditétélakeun yén “Kepala Daerah bertugas melaksanakan pelestarian dan
pengembangan bahasa daerah sebagai unsur kakayaan budaya dan sebagai sumber
utama pembentuk kosakata bahasa Indonesia”. Sedeng dina pasal 3 hurup (c)
ditétélakeun yén kepala daérah “memberikan fasilitas untuk pelestarian dan
pengembangan bahasa negara dan bahasa daerah”.
f. Perda No. 14 Taun 2014 ngeunaan “Perubahan atas Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat
Nomer 5 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah” teges
tandes ngaamanatkeun ka Pamaraéntah Daerah sangkan milu ngabina hirup-huripna
basa daerah luyu jeung kawijakan nasional.
Jalaran éta, LBSS miharep pangersa Bapa/Ibu Bupati/Walikota di wewengkon séwang-séwangan,
ngahangkeutkeun kagiatan dina raraga ngareuah-reuah Poe Basa Indung Internasional,
malahmandar basa Sunda dipaliré sareng diaranggo deui, sarta diajénan minangka kaarifan lokal
(local genius) minangka bagian tina kabeungharan budaya nasional.
Aya sawatara kagiatan anu tiasa dilakonan ku Pemda Kabupatén/Kota dina raraga miéling Poé
Basa Indung Internasional, di antawisna:
1. Koordinasi sareng Dinas Pendidikan atanapai Kebudayaan Kabupatén/Kota kanggo
ngayakeun kagiatan miéling Poé Basa Indung Insternasional mangrupi seminar atanapi
diskusi kabudayaan anu madungdengkeun hirup-huripna basa Sunda minangka basa
indung.
2. Ngainstruksikeun ka sakola-sakola atanapi dinas supados murangkalih sakola, guru,
sareng karyawan di lingkunganana dinas masing-masing dina ping 21 Fébruari 2022
ngaranggo raksukan kasundaan sareng ngutamakeun nganggo basa Sunda kanggo
komunikasi boh formal boh informal.
3. Ngainstruksikeun masang spanduk/banner miéling Poe Basa Indung Internasional
supados masarakat aruningaeun yén basa Sunda minangka bagian tina kabeungharan
kabudayaan nasional kedah dimumulé, diaranggo di lingkungan kulawarga/ masarakat,
diajarkeun di sakola, jsb. (conto téks spanduk/banner tiasa diuningaan dina lampiran
surat).
4. Ngayakeun rupaning kagiatan pasanggiri/lomba kanggo ngahudang aprésiasi, sumanget,
sareng karesep murangkalih dina nganggo basa Sunda.
Sakitu uar pangajak ti LBSS, anu mung gaduh kawajiban moril kanggo ngadugikeun ieu wawaran
ka balaréa bari didadasaran ku niat hoyong miara kahanan basa Sunda minangka kabeungharan
budaya. Ku kituna, ayana inisiatif (good will) ti pamaréntah daérah kalintang diajeng-ajengna.
Mugi-mugi Gusti nu Maha Suci nangtayungan urang sadaya.
Hormatna,
Pupuhu Badan Pangurus LBSS
Darpan, M.Pd.
3. BADAN PENGURUS YAYASAN
LEMBAGA BASA JEUNG SASTRA SUNDA (LBSS)
(Akta Notaris Komar Andasasmita No. 23 Tanggal 14 April 1988)
Sekretariat: Jl. Dr. Setiabudhi No. 228, Telpon (022) 2016922 Bandung 40143
Lampiran Surat Nomer : 17/LBSS/II/2022
Conto Kalimah/Ungkara pikeun Spanduk/Banner
Miéling Poé Basa Indung Internasional
Ping 21 Fébruari 2022
Conto Kalimah:
1. Miara Basa Sunda, Ngajungjung Darajat Bangsa
2. Basa téh Cicirén Bangsa, Aya Basana Langgeng Bangsana.
3. Basa Sunda anu Urang, Pék Mumulé Ngarah Langgeng
4. Urang Sunda Kudu Bisa Nyarita ku Basa Sunda.
5. Ulah Éra Nyarita ku Basa Sunda.
6. Hayu Urang Maké Basa Sunda, di Imah, di Sakola, di Mamana.
7. Basa Inggris Tapis, Basa Indonésia Ngawasa, Basa Sunda Teu Bisa. Teu Éra?
8. Jsté.
Conto Banner:
Bandung, 01 Fébruari 2022
Pupuhu Badan Pangurus LBSS,
Darpan, M.Pd.
Miéling Poé Basa Indung Internasional
(21 Fébruari 2022)
Miara Basa Sunda, Ngajungjung Darajat Bangsa
Pemda Kabupaten Sukabumi