Dokumen ini berisi puisi yang memuji Nabi Muhammad sebagai utusan Allah yang bijaksana dan budiman. Puisi ini juga mengingatkan pembaca untuk menghormati dan mengikuti ajaran Nabi serta berdoa agar bisa mengikuti Nabi ke surga pada hari kiamat.
1. 92. Nuwajib di ibadahan Taya anu nyasamian
Sareng abdi iman deui Ka Sidna Muhammad Nabi
93. Yen eta utusan gusti Mi wulang sadaya jalmi
Nu sifat kapercayaan Bijaksana tur budiman
94. Bener unggal sasauran Najan saur kaheureuyan
Ngembarkeun Kanjeng Nabi teh Kajalma sadunya kabeh
95. Dawuh Pangeran nu soleh Nuwajib diturutna teh
Hormat urang ka anjeuna Dina mangsa jumenengna
96. Sareng saba’da wafatna Eta teu aya bedana
Duh Gusti junjunan abdi Sidna Muhammad Habibi
97. Pamugi salira nampi Kanu hina diri abdi
Abdi umat akhir zaman Anu banget panasaran
98. Hoyong tepang ngadeheusan Sejak tumut serah badan
Di Yaumil akhir pamugi Abdi sing janten ngahiji
Sareng ibu bapak abdi Ngiring Gusti ka sawargi
TAMAT