slide ini berisi tentang materi kecap rajekan basa sunda. kecap rajekan jika diterjemahkan dalam bahasa Indonesia artinya adalah kata ulang. kecap rajekan dibagi menjadi empat. kecap rajekan dwilingga, dwipurwa, dwimadya, dan trilingga. Agar lebih jelasnya, silahkan baca slide yang sudah saya susun berdasarkan buku Bahasa Sunda Gapura Basa.
2. 1) Ah, sabedas-bedasna ogé jalma, moal nandingan tanaga gajah
2) saalus-alusna ogé baju loakan, moal leuwih alus dibadingkeun
baju toko
1) Bedas + sa-R-na = sabedas-bedasna
2) Alus + sa-R-na = saalus-alusna
3) Pinter + sa-R-na = sapinter-pinterna
3. Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali
boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti
di rajék engang atawa wangun dasarna, ilaharna
aya ogé nu ditambahan ku rarangkén, boh
rarangkén hareup atawa rarangkén tukang.
Rajékan Dwipurwa
Rajékan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta
"dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina
"mimiti atawa awal". Rajékan dwi purwa kaasup
kana rajékan nu dirajék engangna atawa suku
katana.
contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi
momotoran
4. Rajékan Dwimadya
Rajékan dwi madya asalna tina dua kecap
nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya"
nu hartina "tengah”. Jadi rajékan dwimadya
nyaéta kecap anu dirajék engang tengahna.
contona: Sapeuting jadi sapeupeuting, sapoé
jadi sapopoé.
Rajékan dwilingga
Nyaéta kecap anu dirajék wangun dasarna. Anu di
dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sora
(Dwimurni), jeung dirajék wangun dasarna bari
ngarobah sora (Dwi réka).
Conto kecap rajekan dwimurni: mobil-
mobil, motor-motor, jalma-jalma
conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-
lieuk, tual-toél.
5. Rajékan Trilingga
Rajékan trilingga nyaéta kecap anu dirajék
atawa disebut tilu kali wangun
dasarna. Ilaharna ngan kecap nu dirajék ku
rajékan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4
hurup. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut,
trang-tring-trung
6. Kécap Rajékan Dwilingga Maké
Rarangkén barung sa-na
Gunana pikeun ngawangun kecap anu hartina:
• Moal Kitu-kitu teuing
Conto: sabedas-bedasna jalma, moal
nandingan tanaga gajah
• Paling atau sing
conto: tugas ti sakola saelat-elatna kudu
dikumpulkeun minggu hareup