6. Eksploratif
Artikel eksploratif nyaéta artikel anu ngungkabkeun f
akta-fakta dumasar kajian ti nu nulisna
Eksplanatif
Deskriptif
Prediktif
Preskriptif
Eksplanatif hartina ngajelaskeun. Artikel eksplanatif
nyaéta artikel anu eusina ngajelaskeun hiji
hal pikeun bisa dipahaman pamaca
Deskriptif nyaéta artikel anu ngagambarkeun hiji ma
salah anu lumangsung di tengah masarakat, u
kituna bisa nyaho naon anusabenerna lumangsug
Artikel prediktif nyaéta artikel anu beuneur itungan
atawa ramalan naon anu bakal lumangsung di poé
kahareupnakeun dumasaritungan nu nulisna
Artikel prespiktif nyaéta artikel anu mikeun tuntuna
n ka pamacana pikeun ngalakonan hiji
hal kukituna henteu ngalaman kekeliruanatawa kas
alahan
8. KECAP LALAWANAN ( antonim )
Antomin nya éta kecap-kecap nu
ngandung harti sabalikna
Antonim (asalna
ti basaYunani anti ("lawan")
sarta onoma ("ngaran") nyaéta hiji
istilah linguistik anu ngarujuk kana
papasangan kecap anu lalawanan hartina
(lawan kecap).
10. KABEUNGHARAN KECAP
Dina basa sunda aya sawatara istilah atawa sesebutan husus anu patali jeung
kasehatan. Geura ieu tengetan:
a. Ngaran kasakit
e’wateunn: kasakit kulit dina beungeut
gondongeun : kasakit bereuh dina beuheung
hapur : kasakit kulit, totol-totol barodas
hileudeun : kasakit lantaran infeksi jeroeun kuku
jengkoleun : kasakit nyeri kiih lantaran karacunan jengkol
kaligata : kasakit ateul, garimpa sakujur awak
keueuseun : kasakit huntu budak harideung
leuncangeun : kasakit ateul dina sela-sela ramo suku
lilinieun : kasakit leungeun, ngagribig
muriang : kasakit panas tiris
sakalaor : kasakit sarap, sok teu pupuguh jejengkengan
salatri : kasakit lieur, sarebel, lantaran beuteung kosong
se’se’ke’leun : kasakit nyeri dina kelek
singsireumeun : kasakit tiis, asa ditapuk siruem, dina suku jsb.
tampek : kasakit kulit (budak), barentol beureum
turuwisen : kasakit sarupa cenang dina biwir pawon