Basa Sunda memiliki banyak kosa kata serapan dari bahasa asing, terutama bahasa Arab, Belanda, dan Sanskerta. Kosa kata serapan juga berasal dari bahasa-bahasa lain seperti bahasa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris, Spanyol, dan Prancis. Pengaruh bahasa Arab sangat besar karena penyebaran agama Islam di tanah Sunda. Kosa kata serapan dari bahasa Belanda masuk pada abad ke
DEMONSTRASI KONTEKSTUAL MODUL 1.3 PENDIDIKAN GURU PENGGERAK
serapan b sunda.docx
1. c. Kecap Serepan tina Basa Asing
Basa asing nu gedé pangaruhna kana basa Sunda ku cara ngabeungharkeun kosa kecapna nyaéta basa Arab,
Walanda, jeung Sangsekerta. Tina basa séjén ogé loba, saperti tina basa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris,
Spanyol, jeung Prancis. Tapi jumlahna henteu loba cara nu asalna tina tilu basa tadi.
1. Serepan tina Basa Arab
Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda.
Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal,
batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram,
hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat,
pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst.
2. Serepan tina Basa Walanda
Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa
Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan
tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku,
baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik,
setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor,
sekrup, setrip, treuk, jst.
3. Serepan tina Basa Sangsekerta
Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa
Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-
prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda,
guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana,
aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma,
tresna, utama, jasa, jst.
4. Serepan tina Basa Kawi
Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di
antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar,
wisma, jst.
2. 5. Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla,
mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst.
6. Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur,
perangko, sabun, kado, jst.
7. Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay,
cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.
8. Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi,
tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst.