2. Mulangkeun kana Tempatna
L
ir karéta dina erél, kudu napak salalawasna. Mun
teu kitu, lain ukur méngpar dalah bisa jadi tigubrag,
cilaka jeung nyilakakeun. Matak, mun karéta ngagiclek tina jalanna, sok gancang ditempatkeun deui dina
tempatna.
Karéta mah puguh juntrungna. Mun ngiser tina jalanna,
gampang kanyahoanana. Tapi, apan teu kurang-kurang hal
séjén mah, mun mengpar tina pungsina téh teu dianggap
‘kua-kieu’, malah ahirna mah dianggap ilahar nepi ka teu
karasa deui salahna.
Pungsi jalan, misalna, apan keur patalimarga. Kitu deui
trotoarna, éta téh keur nu lalar-liwat teu maké kandaran,
keur nu laleumpang. Tapi, boh jalan boh trotoar geus loba
nu ‘alih pungsi’ pangpangan mah di kota-kota gedé. Sabagian jalan dipake parkir, atuh balukarna kandaran gé teu lancar, malah kudu ‘padedet’ sagala. Kitu deui nu lalar liwat,
hayang bisa leumpag dina trotoar gé hésé naker, da éta tempat téh diparaké dagang.
Ngised tina sual jalan, walungan gé kitu. Nu kuduna
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
tempat ngalirna cai, loba nu diparake miceun kokotor sabangsa runtah. Balukrana, gé lian ti cai wahangan jadi
kotor, ogé matak sareukseuk katempona.
Intina, mémang sagala gé kudu dina tempatna. Komo
deui merenahkeun jalma, kudu dumasar kana kamapuhan
jeung ahlina téa. Lantaran, mun teu dipigawé ku ahlina
mah, kari nungguan ancruna. Kitu apan ceuk katerangan
agama gé.
Ngabebenahna, teu sing gampang. Ceuk kekecapan
kolot mah, matih tuman batan tumbal. Ngan, mulangkeun
kana tempatna, saperti mulangkeun jalan jeung walungan
kana pungsina, teu kudu dianggap pagawean hebat
sabenerna mah, da ukur sina kawas saméméhna.
Mitra, tumali sareng mulangkeun kana tempatna,
dina nomer ieu Manglé ngolongan pamanggih Dr. H.
Endang Jauhari, SH., MH., ngeunaan garapan gawé pamaréntah kiwari. Nya cenah, kaasup kudu boga tekad nu
dibarung ku prakna geusan malikkeun pungsi nu
samistina dina tempatna. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi
Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM
Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
3. 18
Langit Téh Teuing
Ku Lénglang
5
TAMU
AYA nu nyandet kana angen, basa nénjo
Alia, pamajikan kuring ti jauhna kawas
keur sasapu. Arfan, Si Cikal nu can rék
adian waé, teu katénjo mapagkeun
deuih. Sasarina mani jojorowokan nyebut Papap datang téh. Sabot ngonci
mobil di garasi, kadéngé manéhna muka
panto hareup......
Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.;
Ngubaran Bangsa, Mukakeun Haté Sina Beunta
LAPORAN
CARITA PONDOK
Méméh Milih
Waktuna Nyidikkeun Piliheun
........................................................... 8
Langit Téh Teuing Ku Lénglang
Aam Amilia ....................................... 18
Teu Tulus Nyorang Wiwirang
Agus B. Irawan ................................... 20
Mangsa Cikapundung Caina Herang
Eti ...................................................... 22
KOLOM
Potret : Reisyan
Marentah Berbasis CSR
Diah Fatma Sjoraida ...................... 17
Ihlakul Qoryah
Juniarso Ridwan ............................. 39
Urang Ngalamun
Boga ”Pusat Informasi
Kebudayaan Jabar”
Us Tiarsa R. ................................... 48
BAHASAN
GOTRA SAWALA:
Urang Sunda dijadikeun obyék
Catetan Ajip Rosidi ........................ 24
DANGDING
Tepung Sabéngbatan (Kinanti)
I Wahyudi Sofyan ............................ 49
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
CARITA NYAMBUNG
IMPLIK-IMPLIK
Momonés Béntang Sindén di STSI
......................................................... 46
Carita Sarebu Samalem (185)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (24)
M.A. Salmun
............................................................ 12
4. Mana Foto Soekarno?
C
enah, Nelson Mandela siga aya
nu
ditéangan.
Nya
pok
nanyakeun. Yogie S. Mémét,
harita Gubernur Jawa Barat, anu
marenganana teu bisa ngajawab. Ari
Mandela ngarasa héran naha di Gedong
Merdéka, Bandung, teu aya foto
Soekarno.
Mandela jeung Suharto téh ibaratna
bumi jeung langit. Mandela anu euweuh
geuneuk maleukmeuk, kaasup ka
musuh-musuhna, lalawanan pisan
jeung Suharto anu harita keur kawasa.
Mun bisa mah, Soekarno téh leungit
sagala rupana. Kaasup tina bukti sajarah Konférénsi Asia Afrika. Padahal
saréréa gé apal, naon jasana Bung
Karno dina éta konférénsi.
Sababaraha kali Mandela nyebutkeun yén Soekarno téh jadi salasaurang
anu jadi inspirator perjoanganana.
Kaayaan di Afrika Selatan harita, lain
énténg-énténg. Penduduk pribumi, anu
kulitna hideung meles, nurutkeun undang-undang nagara kudu jadi warga
nagara kelas dua. Di mana-mana teu
meunang ngahiji jeung bangsa kulit
putih. Sagala rupa anu diajangkeun
pikeun warga pribumi henteu satingkat
jeung anu disadiakeun keur bangsa
kulit putih.
Ku ayana KAA di Bandung dina
taun 1955, ngaran Indonésia mashur ka
sakuliah jagat. Soekarno nya kitu deui.
Meujeuhna lamun naon-naon anu
diperjoangkeun ku Soekarno jadi
pangjurung kana perjoangan bangsabangsa séjénna.
Perjoangan anu dikokojoan ku Mandela sabatur-batur di Afrika Selatan,
kacida
panjangna.
Kakawasaan
pamaréntahan bangsa kulit putih anu
ngukuhan apartheid lain lawan-lawaneun. Éta sababna, Mandela sabaturbatur milih jalan anu béda. Dia
Manglé 2455
antarana ku jalan mogok. Papadaning
kitu, akibatna langsung karasa ku anu
keur nyekel kakawasaan. Mandela
jeung batur-baturna dijebloskeun ka
jero bui.
Waktu datang ka Bandung, Mandela téh anyaran dibébaskeun. Lain
sakeudeung-sakeudeung, tujuh likur
taun ngaringkuk di jero buina téh.
Sanajan pamaréntahan apartheid
usaha satékah polah mencilkeun Mandela, tapi ari perjoanganana mah teu
pareum-pareum. Malah meunang
perhatian ti dunya internasional.
Afrika Selatan henteu diilukeun kana
acara-acara internasional, diantarana
Olimpiadeu. Atuh para pamingpin nagara séjén ngahagalkeun ngalongok
Mandela di jero tahanan. Geus kitu
mah Klerk anu keur jadi PM Afrika
Selatan harita, geus teu bisa meungpeun carang. Mandela ahirna
dibebaskeun. Heuleut sababaraha
taun ti harita Mandela jeung Klerk
dilélér hadiah Nobel Perdamaian.
Atuh taun hareupna, Mandela kapilih
jadi Presidén Afrika Selatan.
Poé Ahad kamari Nelson Mandela
dikurebkeun di lemburna, sabada
sababaraha kali pulang-anting dirawat
di rumah sakit. Yuswana nincak 95
taun. Dina waktu nagara ngayakeun
acara kanagaraan pikeun ngahormat
Mandela, puluhan kapala nagara jeung
kapala pamaréntahan ti sakuliah dunya
ngahagalkeun nungkulan. Sanajan geus
henteu jeneng nyekel kalungguhan
resmi, tapi hormat ka Mandela teu
pareum-pareum.
Salian ti henteu neundeun
kaceuceub ka musuh-musuhna, Mandela gé henteu popohoan kana
kakawasaan. Sarintakan jadi presidén,
geus dianggap cukup. Papadaning kitu,
pamorna henteu ngurangan, malah
kalah beuki moncorong. Gunta-ganti
presidén di nagarana, Mandela mah
angger jadi bapa bangsa.
Waktu ngumumkeun rencana
pamaréntah dina nyanghareupan acara
ngurebkeun Mandela, Presidén Yacob
Zuma henteu bisa nyumputkeun
kasedihna. Nyaritana anca, sorana
dareuda, malah pok pisan, moal bisa
aya gantina Mandela téh, cenah.
Basa anyarana nyekel kakawasaan,
Suharto gé kira-kira kitu nyaritana.
Soekarno mah moal bisa diganti,
cenah. Éta téh meureun némbongkeun rasa hormatna. Hanjakal rasa
hormatna henteu dibarengan ku kaihlasan. Karasa ku saréréa, Suharto
hayang mupus tapak lacak jeung jasa
Soekarno. Salasahijina nya ngaleungitkeun potrét Soekarno tina jajaran kapala nagara anu ngahadiran
KAA, anu dipasang di Gedong
Merdéka Bandung.
Usaha-usaha saperti kitu beunang
disebutkeun mubah, taya gunana. Bisa
jadi saharitaeun mah enya ditarurut.
Tapi lila-lila mah kabuktian sabalikna.
Ayeuna upamana, ngaran Soekarno
beuki mindeng disebut-sebut deui.
Tangtu taya maksud pikeun ngaleuleungit kana kasalahanana, tapi ogé
némbongkeun yén jasa-jasana teu hadé
lamun dileuleungit deuih.
Mandela ti anggalna sadar pisan,
ngunek-ngunek kana kasalahan batur,
komo deui lamun bari dibarengan ku
hayang males kanyeri, ulah dikukut.
Komo keur anu jaradi pamingpin
mah. Ku jalan ngahampura kana
kasalahan batur, kaasup musuhmusuhna anu telenges, hasilna leuwih
pinunjul. Buktina, dina pupusna, para
pamingpin
ti
sakuliah
dunya
ngahagalkeun hadir pikeun némbongkeun rasa hormatna. AM
3
5. Usum Ngijih
Kota Bandung
di
Damang Ais Pangampih Manglé? hatur nuhun
pami
damang
mah.
Simkuring ngiring nyerat
perkawis banjir atawa
caah di wilayah Bandung.
Mudah-mudahan waé, pamarentah Kota Bangdung,
hususna pa walikota, ngiring maos ieu seratan.
Kiwari, usumna hujan
tangtu loba jalan nu
raruksak.
Balukarna
upama keur usum hujan
mah beuki jajero. Tah,
dina hal ieu, cek simkuring mah pamaréntah
kudu siap-siap deui ngagarap éta jalan. Ulah dugi
ka eureun usum hujan,
jalan diantep.
Kitu deui masalah banjir di jalan-jalan kota Bandung, kadieunakeun asa
beuki sering. Margi kitu,
Pa
Walikota
kedah
sagancangna nitah pagawé lingkungan sangkan
aya kerjabakti mémérés
gorong-gorong. Upama
téa mah aya program
'Bandung Bersih', cing dihangkeutkeun nepi ka
mémérés
goronggorongna, ulah saukur
buruan kantor. Lantaran,
upama gorong-gorongna
pajejet runtah mah, nya
angger wé bakal nimbulkeun banjir. Kitu deui,
runtah ogé bakal patulayah.
Dina kesempatan ieu
ogé, simkuring usul ngeunaan runtah. Enya runtah
téh pamiceunan. Ayeuna
geus loba nu patulayah.
Teu puguh, rék iraha diangkutna. Ku kituna, pamaréntah Kota Bandung
masing
bener-bener
nyiapkeun lahan. Ulah
nepi ka geus ditumpuk,
4
kakara diangkut. Geus lah
ayeuna mah, ulah teuing
loba mikiran kumaha
nambah-nambah
deui
pangwangunan
saperti
hotél jeung sajabana. Nu
penting mah, lingkungan
Bandung, rék keur halodo
atawa keur usum hujan,
tetep pikabetaheun. Pangpangna, lamun keur usum
hujan, Bandung jiga lain
kota varis van java. Nu aya
Bandung barau, Bandung
maracét, jeung Bandung
caraah.
Terus terang, simkuring mah teu panuju
upama di Kota Bandung
loba
teuing
gedonggedong nu jarangkung
jeung teu puguh mah.
Lantaran, Bandung mah
bandang téa. Tempat cai.
Lamun terus didedetan
ngawangun, cai téh hésé
nyerepna. Antukna teu
bisa majar kumaha bakal
gampang banjirna.Sakali
deui, mugi pamaréntah
Kota Bandung masing
gancang
nata
deui
lingkungan Bandung nu
teratur. Ulah ditata di
Bandung kulon waé, atuh
di Bandung wétan jeung
kidul ogé kudu sarua.
Soalna jeung pasti, caahna
cai ka Bandung wetan
jeung kidul teh pamiceunan cai ti daerah luhur,
saperti Dago jeung Ledeng
jeung sajabana. Tah ku kituna, pangwangunan di
wilayah
luhur
ulah
sangeunahna bari teu
merhatikeun
kumaha
balukarna upama usum
hujan.
Sakitu waé ieu surat.
Ngahaja dikirimkeun ka
Manglé, lantaran percaya
Manglé mah bisa ngajaga
lembur urang lembur
Sunda. Jigana Manglé ogé
bakal moal méréan lamun
lembur Sunda jadi lahan
pamiceunan keur jalmajalma nu teu paduli kana
lingkungan.
Mudahmudahan. Amin.
Wassalam,
Mang Asep Suhendra
Ti Gedebage Bandung
Ulah Untung keur
Batur
Sampurasun!
Damang Nyi Manglé?
Nyi, suburna lahan tatar
Sunda singhoréng matak
ngirut nu keur arusaha.
Kituna diaku ku parapangusaha luar negeri.
Para investor asing ogé
loba nu kabita ngaradon
arusaha di Jawa Barat.
Tah keur simkuring mah,
kaayaan kitu téh tangtu
jadi pangjurung sumanget
para pangusaha pribumi.
Ningal loba investor asing
di Jawa Barat, tangtu jadi
pamecut
pangusaha
pribumi. Atuh palebah
dieu, pamaréntah kedah
jelas, kudu leuwih mihak
ka pangusaha pribumi.
Atanapi pangusaha pribumi kudu diilukeun kana
usaha aranjeunna. Lantaran, asa langka kénéh,
aya juragan pribumi. Nu
jadi harepan téh, mudahmudahan di Bandung, aya
juragan Sunda nu beunghar pisan.
Sakitu waé, mudahmudahan nu arusaha sing
motékar, hususna keur
pangusaha
teureuh
Sunda.
Pa Muhtar
Ti Baleendah
Bandung
Manglé 2455
6. Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.;
Ngubaran Bangsa
Mukakeun Haté Sina Beunta
Aturan mah teu kurang-kurang.
Nyampak di mana-mana. Tapi, teu
babari ngalarapkeunana. Kitu téh
balukar ‘lolong’ haté. Tah, kumaha
atuh ngubaranana?
***
P
atalimarga macét, trotoar hésé
dililiwatan, mobil-mobil parkir di
jalan, naon anéhna? Horéng, keur
nu leukeun tur imeut mah, nu kararitu
téh lain pasualan basajan. Da, gambaran
ruwetna kahirupan balukar biasa teuing
ngalanggar aturan. “Upama tos biasa
ngalanggar aturan, antukna mah moal
ngarasa salah deui,” ceuk Dr. H. Endang
Juhari, SH., MH., Doktor Ilmu Adminis-
Manglé 2455
trasi Publik lulusan Universitas
Parahyangan (Unpar), Bandung.
Ngobrol jeung nu icikibung dina
widang hukum, obrolan gé neueul tur
pakuat-pakait jeung widang hukum. Da,
mémang kitu kanyataanana, kahirupan
sapopoé gé, teu weléh dipageran ku
rupa-rupa aturan.
Upama loba kénéh nu ngalanggar aturan, naon sababna? “Urang téh beunta,
tapi lolong,” pokna tandes naker. Nu lolong, lain panon, da sidik nu éta mah awas
naker. Ngan, ceuk H. Endang mah, nu teu
awas téh haté. “Balukar haténa lolong, nya
rupa-rupa aturan gé, angger wé dilanggar,”
pokna deui nambahkeun.
Salah Saréréa
Upama loba nu ngalanggar aturan,
saha nu salah? Ceuk H. Endang mah,
teu bisa diteumbleuhkeun ka salah
saurang atawa ka salasahiji kelompok.
Geura wé, cenah, mun nu dagang dina
trotoar, heug dibeulian, nu meuli gé kaasup salah. Lantaran, apan trotoar mah,
lain keur nu dagang, tapi keur nu ngaliwat. Kitu deui, mun loba mobil nu parkir
di jalan, lain salah nu boga mobil
wungkul, tapi bisa ogé salah patugasna
ngantep nu markir mobil di jalan.
Pasualan-pasualan nu kasaksén di
jalan, ceuk H. Endang mah, teu sing
basajan. Lantaran, ngamuarana mah ka
pamaréntahan. Apan, rupa-rupa aturan
téh enas-enasna mah keur karaharjaan
balaréa. Ngan, tangtu wé, jinek jeung
larapna aturan téa, nu kudu dibebenah
téh sagalana kaasup pamaréntahanana
sangkan ninggang ka nu keur jadi kacapangan ‘good governance’, atawa
pamaréntahan anu hadé!
Najan disebutna pamaréntahan
5
7. hadé, lain ukur aparat pamaréntahan
wungkul nu kudu dibebenah téh. Da, di
dinya mah, nu kaasup pamaréntahan
hadé téh ngawengku tilu bagian,
pamaréntah, masarakat, jeung dunya
usaha. “Nu tilu bagian téh kedah adumanis, tur tumuwuh kasadaran,” ceuk
Dr. Endang témbrés.
Nyaritakeun pamaréntahan anu
hadé ogé enas-enasna mah, neueul kana
aturan. Masing-masing pihak, dina
ngalaksanakeun ‘pancénna’ téh kauger
ku aturan anu tangtu. Sagala rupa
paripolah jeung garapan gawé pamarentah dipapayungan ku undang-undang atawa aturan. Kitu deui pangusaha
dina ngalaksanakeun usahana dipageran ku rupa-rupa aturan anu jinek.
Kumaha ari masarakat? Tangtu wé, teu
weléh ditalingakeun ku aturan.
Paripolah nu ngalaksanakeun
pancén-pancén pamaréntahan, kudu
napak kana aturan anu jinek. “Padikana
jinek pamaréntah téh kudu transparan
sareng akuntabel,” ceuk ieu Widyaiswara nu jadi pangajar di Diklat
Propinsi Jawa Barat téh.
Sual ‘transparan’ atawa nembrak,
kacida dipiharepna ku sakumna pihak.
Lantaran ku cara kitu kawijakan atawa
putusan téh bakal kauji ku balaréa.
Hartina, rék alusna rék goréngna bakal
babari kasaksén ku saha waé. Ku cara
kitu, ceuk H. Endang, mun téa mah aya
hal-hal nu dianggap méngpar tina aturan, gampang kanyahoanana sarta gancang dibebenahna. Ari nu tumali jeung
akuntabel mah, pihak-pihak nu ngalaksanakeun éta kawajiban téh, puguh
tanggung jawabna.
Dina nembrak jeung puguh tanggung jawab téa, kagambar dua pasipatan
nu mamistina nyangkaruk dina masingmasing pihak nu ngalaksanakeun éta
tugas.
Mémang, cenah, nembrak
wungkul teu cukup, da éta mah bisa waé
ukur tartib administrasi, tapi mun ‘bisa
dipertanggungjawabkan’ mah, hartina
nyumponan unsur-unsur kajujuran nu
mémang ‘sakuduna kitu’.
Ngubaran Haté
Dina ngajén pihak séjén, H. Endang
teu meungpeun carang. Najan inyana
téh Pagawé Negeri Sipil (PNS), da puguh
icikibung dina dunya atikan, tangtu wé,
remen boga pamanggih nu béda jeung
ilaharana pihak-pihak nu boga wewenang. “Upami gaduh tékad ngabebenah
kaayaan, intina mah, kedah ngubaran
haté masing-masing, sangkan teu lolong!” pokna.
Lir ibarat nu teu ningali, moal awas
6
Sareng garwa di Mekkah. Ibadah lain saukur amparan sajadah
Dr. Endang Juhari; ngabebenah kaayaan, mimitna kudu tina haté
kana tincakkeun. Atuh, teu mustahil
sagala dirumpak. Malah, ahirna bisa
waé lolong haté. Malah ka dituna mah,
lir ninggang kana kekecapan kolot, tunggul
dirarud
catang
dirumpak!
Balukarna, tinimbanganana ogé ngan
ukur keur kapentingan diri atawa
kelompokna masing-masing.
Sakadar conto, ceuk ieu Konsultan
Hukum nu dumuk di Bandung téh,
masih kénéh kasaksén, nu ngokolakeun
pausahaan daérah gé lain dumasar kana
kapentingan kamajuan éta pausahaan,
tapi sakadar ‘méré’ tempat ka nu
dipapancénan nyekel kalungguhan di
éta pausahaan. Balukarna, éta pausahaan téh lain untung, tapi sabalikna.
Dina ngabebenah kaayaan, ieu
teureuh Garut mah percaya, mimitna
tina haté. Lantaran, cenah, haté mah
moal bisa dibobodo jeung tara ngabobodo. Saterusna, dina prakna
ngalarapkeun
rarancang
gawé,
samistina ngimeutan heula nu pangpereluna
jeung
pangpentingna
dilaksanakeun. “Ulah ngan saukur resep
ngawangunna tapi teu bisa miara jeung
ngamangpaatkeunana,” pokna.
Contona, cenah, dina danget ieu, nu
pangpentingna téh lain hantem ngawangun jalan anyar, tapi miara jeung
ngamangpaatkeun éta jalan. “Ngalarapkeun sagala aturan di tempatna,” pokna.
Saperti nu tumali jeung jalan téa, apan
masing-masing gé geus puguh
bagianana. Jalan téh keur patalimarga,
trotoar keur nu laleumpang. “Ulah pacorok, nepi ka salah pungsi,” pokna bari
Manglé 2455
8. Miara lingkungan di lembur, inget kana carita indung
Lolongok ka Jepang. Kataji kana cara miara lingkunganana
mésem.
Upama ngalaksanakeun pancén gawé
apal kana pasualan, sarta nété tarajé nincak hambalan, teu sing susah. Saperti
ngungkulan runtah, ceuk ieu caroge Hj.
Heni Helmiati mah moal hésé, asal
ngalarapkeun aturan anu jinek. Geura
wé, barang-barang saperti sayur-sayuran
nu asup ka mol atawa supermarket teu
ieuh nyésakeun runtah. Kituna téh, lantaran asupna sayuran ka mol gé geus
beresih. Nu kawas kitu, cenah, sabenerna
mah bisa dilarapkeun di pasar-pasar
umumna.
Apal kana urusan pamaréntahan, H.
Endang tigin kana pancénna. Tékadna gé
ngabaktikeun diri di dunya atikan. Najan,
kasang tukangna hukum, ahirna mah
leuwih tumaninah jadi ‘guru’. “Dina ngajar
Manglé 2455
nu sok dicarita-caritakeun téh bebeneran,
lain néangan ‘pembenaran’,” pokna.
Carita Indung
Upama ayeuna nanjung di Bandung,
H. Endang gé teu poho ka bali geusan
ngajadi. Sok reueus mun nyebutkeun dirina urang kampung téh, da mémang
kaayaan pakampungan deuih nu
ngalantarankeun dirina boga sumanget
daék diajar jeung boga kaludeung gé.
H. Endang, keur budak mah teu
kungsi ngimpi bakal jadi pagawé di
puseur dayeuh tatar Sunda. Da puguh,
sapopoéna gé harita mah, saperti
umumna barudak lembur, purah ngarit
jeung ngangon ingon-ingon, saperti
domba atawa munding. Atuh, indit ka
sakola gé, teu weléh mamawa tolom-
bong jeung arit, lantaran balikna kudu
ngala jukut.
Tamat SD di Rancamaya, Torogong,
Garut, neruskeun ka SMP. Jauh ka
sakola SMP téh, lantaran kudu ka Torogong kota. Anggangna ti lembur téh kurang leuwih tujuh kilo. Ari, harita
kapaksa wé nikreuh da taya kandaraan
umum. “Sakola téh capé di jalan,” pokna
ngumbar panineungan.
Upama ahirna milih sakola di jurusan hukum, mémang aya alatanana.
Waktu keur budak, kungsi ngabandungan aki boga urusan jeung hukum.
Pasalna mah, pasualan tanah warisan.
Ahirna, papaduan nepi ka pangadilan.
Ari dulur aki téh urang kota, nu dina
pasualan hukum mah leuwih ngarti
batan aki. Pamustunganana, pihak aki
nu ngarasa dirugikeun téh!
Pajuriwetna masalah hukum, nodél
mamaras rasa Endang Juhari harita.
Matak, najan teu dikedalkeun ka kolot,
haténa mah gilig hayang ngarti hukum.
Atuh, satutas tamat SMA biur wéh
sakola ka Bandung, daptar ka Fakultas
Hukum. Daptarna ka Unpad, tapi teu
kabiruyungan. Nya miluan deui tésting
di Unpar jeung di Unisba (Bandung).
Najan ditarima di dua paguron luhur,
nu dicokot mah Unisba. Kituna téh, lana
manjangkeun carita. Ti ieu paguron
luhur, Endang meunang gelar Sarjana
Hukum.
Taksiran, ku lantaran keur mahasiswa gé kaasup nu ‘aktip’ dina ruparupa kagiatan, sanggeus lulus téh
disambat jadi asisten dosen, mantuan
Prof. Bagir Manan (nu kungsi jadi Ketua
MA). Ngan, waktu aya panarimaan
calon hakim nu téstingna di Jakarta, Endang Juhari gé milu tés. Lulus!
Mungguhing lalakon, horéng teu
weléh aya pakuat-pakaitna jeung
mangsa ka tukang. Horéng, lalakon papaduan akina téa, bét nodél mamaras
rasa ibuna Endang. Cenah, pagawéan
kitu mah, leuwih hadé dijauhan!
Hartina, ieu rama Triana Permatasari
jeung Puja Pratama Mahardian teu diidinan jadi hakim. Dina séjén waktu, Endang milu tés pagawé nagri di Pemda
Jawa Barat. Lulus deui waé. Nya ahirna
mah ti harita tetep jadi pagawé nagri.
Ayeuna, Dr. Endang Juhari, SH.,
MH., téh matuh di Bandung. Tapi, teu
poho ka bali geusan ngajadi. Da, aya
papatah kolot nu teu weléh nongtoréng.
Cenah, kudu nyaah ka nu leutik. “Mun
aya nu ngiuhan pék sambat, ulah nepi ka
kahujanan di panyawéran,” ceuk Dr. Endang nineung papatah ramana. ***
(Ensa/Rudi)
7
9. Pilihan législatif ukur bubulanan deui. Perelu tatapakan dina
nangtukeun piliheun. Ngan, naon
waé pasaratanana?
Naon nu kudu nyampak dina
diri pipamingpineun téh?
***
P
ilihan umum teu weléh jadi
babak anyar dina kakawasaan pamaréntahan. Nya ti
dinya
mimitina
nataharkeun
kahirupan kanagaraan geusan nyorang mangsa saterusna. Keur ngahontal harepan balaréa, bisa hirup
jeung huripna, daék teu daék misti
dimimitian tina milih para pamingpinna di legisilatif. “Ulah nepi
masarakat salah milih,” ceuk Prof.
Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Guru Besar
Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik (Fisip) Universitas Pasundan
(Unpas) Bandung.
Upama Prof. Ali neueulkeun
harepan ka nu rek milihna, mémang lantaran di dinya huluwotanna. Da, ahirna, kumaha nu
milihna. Atuh, kitu jeung kieuna
ajén wawakil rahayat, gumantung
pisan kana putusan rahayat. “Tah,
di dinya pentingna nyidikkeun piliheun,” pokna.
Muguhkeun Ukuran
Nangtukeun pilihan dina bilik
sora (TPS), bisa ukur memenitan.
Tapi, prak-prakan milih téa, ceuk
H. Ali Anwar mah, kudu mangrupa
runtuyan tina hasil pangimeutan
anu panjang, sanggeusna dibeuweung diutahkeun. “Milih téh
kudu dipikir jeung diintip ku ati, diH. Ali Anwar; Rahayat butuh
pangaping jeung panyalindungan
8
H. Ali Anwar, Guru Besar Fisip Unpas
Pilihan rayat, waktuna ngintip ku ati ngararampa ku rasa
10. Méméh Milih
Waktuna Nyidikkeun Piliheun
papay ku rasa, disusurup ku kolbu,”
pokna ngingetan.
Bisa jadi, cenah, mémang teu
gampang milih. Lantaran nu
patingtorojol téh warna-warni piliheun. Lobana partey jeung lobana
calég, keur nu rék milih gé teu gampang nangtukeun pilihan. Ku lantaran kitu, ceuk Prof. Ali mah,
masarakat teh ulah haripeut ku
teuteureuyeun!
Upama ukur daék milih lantaran aya ‘paméréna’, kawas kitu
mah lain cara nangtukeun pilihan
anu hadé. Éta mah, mikirna gé
ukur saharitaeun. “Padahal, apan
milih pipamingpineun mah keur
dangka panjang, malah pangaruhna gé bisa salalawasna,” pokna.
Dina hirup, mémang remen
disanghareupan ku misti mutuskeun pilihan. Ngan, cenah, ari keur
urang Sunda mah, milih ogé boga
padika. Apan, kudu asak-asak
ngéjo bisi tutung tambagana, ceuk
paribasa téa mah. “Milih ku ati
atawa pilihan haté masing-masing
kudu jadi tatapakan utama dina
nangtukeun pilihan téa,” ceuk ieu
Ketua LPPSI Unpas téh.
Karep masarakat nangtukeun
piliheun, ceuk ieu akademisi
teureuh Garut nu ngancik di Bandung téh, kudu ngimeutan paripolah jeung lalampahan paracalon
pamingpin téa. Untungna, rahayat
mah teu kudu asruk-asrukan ngadatangan caleg, da puguh pihak
calon legislatif nu patingtorojol
ngawanohkeun diri masing-masing
ka pihak nu rék milih. “Bisa ngabanding-banding mana nu panghadéna ti antara anu rék dipilih,”
pokna. Carana, cenah, kari ngimeutan
lalampahan
jeung
kamampuhanana!
Di nagara démokrasi, hak milih
jeung dipilih ditangtayungan ku
undang-undang. Da mémang kitu
Manglé 2455
aturanana. Hartina, saha waé gé
bisa jadi calon legislatif asal
nyumponan pasaratan administrasi. Sanggeus cukup pasaratan
nu ditangtukeun ku Komisi Pemilihan Umum (KPU), calon téh boga
hak ‘ngembarkeun’ dirina yén inyana téh calon legislatif. Geus kitu
mah, éta calon gé bisa napak kana
kekecapan padagang, apan cenah,
‘kersa galuh, mun teu kersa ulah
geuleuh’!
Najan kitu, ditilik keur kamasalahatan balaréa, ceuk Prof. Dr.
H. Ali Anwar, M.Si., pamingpin gé
kudu jinek jenglenganana, lain
ukur bisa nyumponan pasaratan
administrasi. Hartina, leuwih jauh
deui tina éta pasaratan, pamingpin
mah kudu boga adeg-adeg,
kamampuhan, jeung jenglenganana nu jinek. “Apan pamingpin
téh khadimul ummah, aqdamul
ummah, sareng sayyidul ummah,”
ceuk ieu Ketua Bidang Agama
Paguyuban Pasundan téh.
Nu kahiji, khadimul ummah,
hartina téh palayan umat, palayan
masarakat. Mémang, cenah, saperti
pajabat ayeuna, apan ngakuna mah
palayan masarakat. Da, mémang
kitu samistina mah, parapamingpin
téh jadi pihak nu mantuan jeung
ngurus ngatur kahayang tur kabutuh masarakat sangkan rahayat
bisa hirup jeung huripna.
Nu kadua, pamingpin téh kudu
jadi tatapakan umat. Hartina, aya
geusan panyalindungan rahayat
dina mangsana butuh panyalindungan. Aya nu nuduhkeun dina
mangsana butuh ku pituduh!
Hartina, pamingpin téh, nyampak
dina mangsana rahayat mikabutuh
éta pamingpin.
Saterusna, nu katilu, mémang
pamingpin mah ‘top leader’. Dina
éta kalungguhan ‘nyiruruk’ ruparupa pancén nu di antarana jadi
‘leader’ jeung ‘minijer’. Atuh,
sawadina éta pamingpin téh mampuh matéahkeun sagala nu nyampak, sarta mampuh ngokolakeun
rupa-rupa
poténsi
geusan
karaharjaan masarakatna.
Butuh Pangaping
Antara nu milih jeung nu dipilih, biasana gé aya pihak séjén.
Rupa-rupa sesebutanana gé, bisa
ukur bobotoh, bisa ogé ‘tim sukses’.
Di antara nu jadi ‘panumbu’ catur
nu bisa nyambungkeun antara dua
pihak ( nu milih jeung nu dipilih),
samistina aya nu jadi pangaping.
Tah, saha téa? “Kaum inteléktual,
inohong masarakat, sareng sajabana, tiasa janten pangaping
masarakat,” pokna.
Da, mémang teu sakumna
warga bakal mampuh milih kalayan
bener-bener ngalarapkeun padika
milih saperti tadi. Malah, bisa jadi
milihna gé ukur milih, ukur lantaran paméréna, ku lantaran kabobodo ku omongan, jeung
sajabana. “Tah, hadirna pangaping
peryogi pisan,” ceuk ieu Ketua
Bidang Latihan Dekopinwil Jawa
Barat téh.
Makusd H. Ali Anwar mah, para
inohong atawa kaum inteléktual
téh kudu nyorakeun nu ‘bebas’ tina
rupa-rupa kapentingan, iwal ti keur
kamaslahatan masarakat sakumna.
Ngan, naha aya kénéh nu payus
dipilih jeung kapilih, aya kénéh
piliheun nu khadimul ummah,
aqdimul ummmah, jeung sayyidul
ummah? Naha masarakat gé mampuh milih ku cara leuwih ti heula
ngintip ku atina, ngararampa ku
rasa, jeung nyusurup ku kolbu? H.
Ali Anwar mah tetep gedé haté.
“Tangtos aya kénéh nu gaduh kamampuhan sareng patékadanana
saé,” pokna. *** (Ensa/Rudi)
9
11. Bagian
186
K
omarujaman dibabandan.
Dipasrahkeun ka
raja. Putri Budur mah teu
kasamaran, nu datang
dibakutet ku tambang téh
salakina. Ngan, Komarujaman mah teu apaleun,
malah teu nyangkaeun
mun éta raja téh Putri
Budur.
“Sina mandi! Ké
jagragkeun deu ka kaula!”
ceuk raja maréntah.
Teu talangké,
sababaraha urang
badegana cug-ceg kana
leungeun Komarujaman,
dihudangkeun sina nangtung, tuluy dibawa ka pamandian. Sanggeus
Komarujaman indit ti éta
tempat, raja cacarita ka
nangkoda, nganuhunkeun sarta mere hadiah
nu lain lulumayanan.
Sanggeus awak kapal
patinglaléos, Putri Budur
cacarita ka Hayati Nufus.
Taya nu didingdingkelir,
sagala rupana dicarita-
10
keun. Atuh, puguh wé
Putri Hayati ge bungaheun naker, lantaran
hartina, sagala pasualan
baris gancang sirna ti dirina.
“Tapi, ayi tong betus
ka sasaha,” ceuk Putri
Budur.
“Kantenan atuh, sing
percanten wé,” walonna.
Réngsé mandi,
Komarujaman dangdan.
Puguh wé, lir nu disipuh.
Da, kitu asalna,
rurupaanana téh arang
pitandingeunana. Komo
deui harita, lantaran
papakéanana gé nu sarwa
alus, da puguh nu biasa
dipaké ku gegedén
karajaan.
Peuting ka-218
Kalayan dibarengan
ku sababaraha urang
badéga karajaan,
Komarujaman
ngadeuheus ka raja, nu
taya lian ti pamajikanana.
Angger najan paamprok
adu hareupan, ieu
pangeran téh tacan
wanoheun kana jati diri
raja nu keur
disanghareupanana.
Sabalikna, Putri Budur
mah, harita téh méhméhan budal rusiah, lantaran bawaning ku
kasengsrem ku rurupaan
salakina nu ceuk
pangrasana beuki gagah.
Putri Budur sakedapan mah ngahuleng. Teu
kungsi lila, pok nyarita ka
sémahna, yén dirina rék
méré hadiah ka Komarujaman. Atuh, puguh wé
ieu pangeran téh bungaheun pisan.
Lian ti kitu, Komarujaman gé dibéré kalungguhan sina ngurus
sabagian pagawéan nu tumali jeung urusan karaton. Nya, teu nolak da
puguh apaleun pisan
kumaha cara mancén
gawé nu luyu jeung
kalungguhanana. Malum
anak raja, keur matuh di
nagarana gé, biasa naker
uras-urus rumah tangga
karaton mah.
Taksiran, Komaru-
jaman téh kapaké pisan
ku bawahanana. Atuh,
kasugema rahayat gé jadi
kabungah keur Putri
Budur mah. Ku lantaran
kitu, éta pagawé anyar
téh ditaékeun jabatanana
jadi bendahara karajaan.
Pancénna, ngurus ngatur
kakayaan nagara.
Dina ngalaksankeun
pancén gawé, tétéla
nyugemakeun pisan.
Bawahan jeung rahayat
muji-muji ka éta pamingpin anyar téh. Atuh,
puguh wé Putri Budur gé
tambah-tambah gumbirana.
Ngararasakeun kahadéan raja, Komarujaman mikir. Ahirna, aya
teretet rasa curiga. Ceuk
pikirna, kanyaah raja nu
sakitu totomplokanana,
bisa jadi aya maksud nu
teu hadé. Pipikiranana
kitu hantem dibulakbalik, dibeuweungdiutahkeun, néangan cara
nu panghadéna sangkan
hadé ka ditu ka dieu.
Peuting ka 219
Ahirna, Komarujaman
Manglé 2455
12. ngahaja ngadeuheus ka
raja. Waléh nanyakeun
maksud raja pangna
mikanyaah totomplokan
kawas kitu. Walon raja,
da kitu kahayang haténa
gé. Hartina, inyana sorangan teu bisa nerangkeun
sabab-musababna.
“Kanggo jisim abdi nu
umur gé atah kénéh, ieu
jabatan téh kalintang
luhurna. Inggis ku bisi
rempan ku sugan, ahirna
nu disangka pimulyaeun
téh baris tinemu jeung nu
sabalikna,” pokna.
“Ih, naha bet leutik
burih,” ceuk raja.
Saterusna, Putri
Budur cacarita. Mémang,
cenah, bener Komarujaman téh ngora kénéh.
Tapi, lain hartina teu
kudu boga tanggung
jawab. Malah, sabalikna,
ngorana umur téh bisa
jadi taméng dina milampah kasalahan. Da, ceuk
balaréa gé, pantés rék
kitu, rék kieu gé da puguh
ngora kénéh naker.
Najan meunang jawaban kitu, Komarujaman
teu ngarasa sugema. Ceuk
pikirna, mending brukbrak yen dirina hayang
geura-geura ninggalkeun
éta tempat. Ngan, basa
Putri Budur ngadéngé
omongan salakina kitu,
méré deui alesan séjén
yén pangna kitu téh lantaran butuh ku pangarti
Komarujaman.
Sanggeus kabuktian
Komarujaman neugtreug,
Putri Budur ngajak pindah ti éta tempat. Nya
harita, éta Putri téh,
muka jati dirina. Bréh
wéh, nu salila ieu dianggap raja téh, horéng
pamajikanana.
“Duh, bet téga anjeun
ngulinkeun salaki!” ceuk
Komarujaman dibarung
mésem.
“Nya hampura wé,”
Manglé 2455
walonna.
Peuting éta, salaki
jeung pamajikan téh guntreng, Nyaritakeun masing-masing
pangalamanana. Kituna
téh, nepi ka wanci subuh,
kakara tibra sanggeus
sarolat heula.
Isukna, Putri Budur
jeung Komarujaman
ngadeuheus ka raja.
Inyana bruk-brak ka raja,
yén dirina téh taya lian ti
istri Komarujaman. Lian
ti kitu, sagala
pangalamanana gé dicaritakeun satarabasna taya
nu didingding kelir.
Tangtu wé, raja sepuh
téh kacida kagétna.
Anjeunna, saterusna
mah, nitah sababaraha
urang juru tulis sina nyatet lalampahan Putri
Budur jeung Komarujaman dina lambaran
dokumen nagara. Cenah,
sangkan jadi pangajaran
keur anak incuna jaga.
Leng raja ngahuleng.
Pok wéh nyarita, cenah,
hartina, Putri Hayati téh
tacan boga salaki.
Sanggeus kitu, nalék
Komarujaman ngeunaan
daék henteuna ngawin
putri éta karajaan. Ari
walon Komarujaman,
lebah perkara éta mah
gumantung ka garwana.
“Kumaha tah ari
kitu?” ceuk raja nanya ka
Putri Budur.
“Perkawis eta mah,
bingah wé nu aya. Margi,
salami ieu gé Putri Hayati
Nufus téh, tos dianggap
wargi abdi pribadi,” pokna.
Raja bungah. Citacitana boga minantu anu
masagi, laksana. Jinek
turunana, jeung deuih
kanyahoan pangabisana,
Komarujaman téh éstu
lalaki pilih tanding. Payus
jadi raja nu ngaheuyeuk
éta nagara.
Kurang ti sataun,
Komarujaman
ngarundaykeun turunan.
Budakna lalaki duaan ti
Putri Budur jeung Hayati
Nupus. Nu cikal, ti Putri
Budur dingaranan
Pangeran Amjad, nu
kadua ti Putri Hayati nu
dingaranan Pangeran
As’ad. *** (Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 24 }
K
ukulutus jeung
gegelendengna
Belem, teu kudu dicaritakeun di dieu. Meupeus
keuyang ka Artayim geus
cara ombak Sagara-Kidul
meupeus kana karang,
sigana mun teu sieun
dironom ku nu araya di
dinya mah, mandor jeung
kuli jalan, duka dikumahakeun Artayim téh, da geus
ngagilirkeun pestol sagala.
Ari péstolna téh péstol kabaheulaan, kawasna mah
ruruntuk Daendels, anu
renteng mulut dua téa geuning ngabekaskeunana kudu
maké dikécéng heula, kitu gé
anu tabah mah acan puguh
keuna, da ngagiwarna dina
keur ngabeledag ogé aya
sajeungkal mah. Leungeun
geugeumeueun mah geus dipastikeun lapur, moal
keuna.
Artayim dicaritakeun
laklak-dasar téh teu loba
omong, tonggoy jongjon baé
ngudaran pakéan kuda jiga
teu aya naon-naon, ku
carék téh geus baal deui
ceulina cara entog ngadenge
guludug, sakitu gelap dordar
12
téh geuning entog atawa
meri mah tonggoy bae
huhujanan bangun ngareunah.
Ku pitulung nu ngagimbung, bendi téh dikasisisikeun nu tarumpakna
ngariuhan handapeun
tangkal kai, Agan Sari mah
geus teu tuhur panon, rék
balik deui sieun, rék maju
horém, teu untupan. Ku
Belem kapikir, yén moal
enggeus ku ambek-ambekan, tapi kudu ihtiar pok
nanya ka kuli nu mantuan
nyisikeun babawaan: “Jang,
sugan nyaho, di mana di
dieu aya nu nyewakeun
bendi atawa per?”
Nu ditanya sot
babawaan, gog nagog hormat jaman harita: “Atuh
Anom, kedah mulih deui ka
Padalarang atanapi teras ka
Cipatat.”
Mandor nyampeurkeun,
pok milu ngomong: “Bade
angkat ka mana tea Anom
téh?”
Belem leuleuy ngajawab,
bangun hayang dipikarunya:
“Nya eta Mang Mandor,
arek ka Batawi, punguh ge.
Cing kumah ari geus kieu?”
Mandor: “Upami keresa
arangkat mah, majeng teras,
seep pasir ieu aya lembur.
Manawi kahar Haji Bujali
nuju teu dianggo, panginten
kenging disewa dugi ka
Rajamandala; ti ditu mah
sok aya kahar atanapi per na
ka Ciranjang.
“Jaba ti Haji Bujali saha
deui nu boga tutumpakan?”
ceuk Anom.
Mandor: “Di kampung
eta mah teu aya deui, kitu ge
upami nuju dianggo mah
duka.”
Belem: “Sakumaha
jauhna ti dieu ka lembur
téh?”
Mandor ngahuleng, ret
kana babawaan, ret ka Agan,
mureleng kana selopna, pok
ngajawab: “Upami sareng
Neneng mah manawi caket
asar ge dugi.”
Agan Sari ngadenge
mandor nyebut, “Neneng”
téh hatena mani asa peuray,
reuwas, sedih jeung
nalangsa, biasana diaganagan, ari ieu ceplok bae
dicap “Nyai-nyai tuan,”.
Tapi lantaran sagala keur
nyesek omong mandor téh
pura-pura teu kadenge bae.
“Beu edas,” ceuk Belem
humandeuar, “kawas moal
kadugaaeun leumpang, teu
biasa! Mun aya tandu mah,
nya, digarotong, bisa rada
gancang.”
Mandor rurat-reret, pok
ngomong: “Tanu mah
pimanaeun Anom, sakieu
hara-haraeun. Nanging
upami kersa dicikrak mah,
kaleresan aya dapuran awi,
tuh, urang ngadamel cikrak,
moal lami ieu, asal Neneng
keresa digotong di nu kitu,
teu tebih, teu tebih da.”
Belem, satengahna mah
ngomong ka Sari: “Ah, ari
geus kieu mah daek teu daek
ge kudu daek.”
Mandor: “Nanging
pangapunten bae Anom. Ieu
barudak nu karuli tangtos
kapaksa kedah ngagarotong
cikrak sareng cacandakan,
bade kumaha ku Anom
dilereskeunana?”
Belem ngarti kana lojogna karep mandir, pok ngajawab: “Enya, urang ge
ngarti! Asa gancang anggeus
sarta beres, kulian lima
poeeun mah pek bae reken,
malah mun bisa, ngajurungan nu hideng saurang
dibarengan ku popor urang,
nyewa kahar Haji Bujali.
Ulah ngitung harga, masing
kudu dibeuli ku urang
tangtu diduitan.”
Manglé 2455
14. Gancang carita, mandor
geus ngatur jelema, cuh-cih,
tuh-tah, nu nuar awi, nu
ngurus babawaan sina ti
heula, nu diutus ka Haji, nu
ngandorong bendi
dikeureuyeuh ka tungtung
jalan, tainggul, nu sadia
areuy pitalieun nyieun
cikrak jeung jaba ti eta. Ari
Belem jeung Sari ngariuhan
dina gili sisi jalan handapeun kai.
Sabot kitu ti kajauhan
hawar-haawr aya sora nu
tumpak kuda ditegerkeun.
Belem jeung Agan curinghak, geus teu sak deui tangtu
nu nyusul. Awahing gugup,
Belem mah bus bae abus
kana rungkun handapeun
gili, orokaya Sari, teu bisa
rikat cara kabogohna; nu
tumpak kuda téh mengkol
manten ka lebah Sari jeung
mandor nu teu terang naonnaon, kalah olohok nenjo
pepetaan Belem téh, teu
ngarti.
Reg nu tumpak kuda téh
nyandet kuda, mani nanjeur
awahing digentak, sot kuda
teu ditolih, gidig nyampeurkeun Agan Sari anu nepi ka
baseuh samping teu karasa
deui, bawaning sieun, beungeut pias, sakujur badan
ngeleper geus teu boga
pangacian.
Kerewek peupeuteuyan
Sari dicekel ku Usman sataker tanaga, nu tumpak kuda
tea, bari ditongtak nepi ka
tigegelenceng kana gili, haok
sorana: “Mana Si Anjing
kabogoh sia?”
Sari geus teu bisa
ngomong, komo barang rek
hudang dijejek, mani ngusruk, tuluy dilirik bari dijejedor kasima nenjo anu
jol-jol sewot, jaba teu nagri
téh make gimir nenjo nu
ambek bari nyoren gobang.
Ari geus ngumpul
pangacianana, lain nulungan atawa nyapih, kalah
lumpat, sieun kabarerang,
ngan sungutna bisaeun
gogorowokan ka kulina:
“Tulung barudak, tulungan
dewek! Tulung! Tulung!”
Manglé 2455
Belem ti nu bala, ngarti,
yen Usman lamun adu
hareupan moal teu nyabut
gobang. Ceg kana pestol,
beledag dibitukeun bari
ngadegdeg, pelor mabur,
luput perbawa gugup.
Usman malik bari mesat
gobang, geus poho di naonnaon ngudag Belem. Nu diudag nyoba mestol deui,
luput deui bae, pelor beak
da renteng ngan dua eusina. Lamun rek ngeusian téh
kudu neteg heula, mereun
20 menit mah. Jadi nyekel
pestol ge ari kosong mah
sarua bae jeung teu ngepeul
nanaon. Belem karepna rek
ngejat tapi gobang Usman
geus miheulaan ninggang
sirah. Belem bisa keneh
meta, karepna rek ngarawel
gobang, direbut, tapi
sukuna tikojot kana areuy,
geblug labuh nyangigir,
gobang Usman ngan sakilat, congona nanceb di luar
dada Belem. Nu ditiruk
ngalenggak sarta leungeunna rancung Congo gobang
ku Usman didedetkeun
bari beuteung Belem ditincak.
Pamuda kulit putih téh,
leungeunna ngarangkapak,
beungeutna ray pias, sepa,
teu getihan, panonna
ngaburial siga rek luncat
tina kongkolakna. Sungutna
calangap, teu soraan, jaba ti
sesegor, letahna gelel. Tina
dada nyebrot getih. Geus
sidik teu nyawaan, gobang
dicabut lalaunan, suku dina
beuteung ditejehkeun nepi
ka mayit ngagulimpang.
Ari malik, nenjo Sari
keur lumpat –mun nu kitu
meunang disebut lumpat
mah sasatna ngagusur
maneh—nuturkeun mandor
anu mani tenggeng
lumpatna. Usman kaluat ti
nu bala niatna rek ngudag
Sari, gobang Usman nu
baloboran getih diabar-abar.
Tapi barang unggah
kana gili, bet burudul pulisi
anu ngarudag tea, atuh
Usman diraponan.
Kungsi ngalawan
sakeudeung, tapi kalah
wowotan, hiji ngalawan
tujuh, rubuh ditotog ku pohpor. Untung keneh teu
dibabuk atawa ditinggang
oge.
Geus rubuh rob
dironom, direbut gobangna
terus direjengan, reketek ditambalung.
Ti peuting bada Isa,
dayeuh Bandung ti Andir
mula geus obyag, rea jelema
ngahaja ngadadak nyieun
obor ku barangbang kalapa
dihurunkeun dapo hurung,
ayeuh-ayeuhan eak-eakan
ngabring-ngabring baban-
dan Aom Usman ditambalung, Agan Sari digotong dina cikrak, mayit
Belem dina cikrak hiji deui,
Si Artayim ditalikung, mandor jeung sawatara kuli dihapit ku pulisi, teu ditalian
da sakadar pisakisieun, lain
babanjan.
Dayeuh Bandung siga
ngadak-ngadak pesta teu dihaja. Da aneh atuh, aya
menak jadi babandan
dumeh maehan. Leuwih
aneh deui dumeh aya,
“agan” jadi wanita nepi ka
luas mangminggatkeun
salaki.
Duka kumaha ari carana
Ki Warta nerekabna ka
jelema sadayeuh mah.
Kawasna dasar Mang Beja
tea bae omong harus batang
goong. Abringan di Cimahi
keneh ge nu megat mah geus
rajeg saparat-parat jalan.
Ti lebah Kaca-KacaKulon jelema tambah rea,
ngabring milu ka pandopo
kabupaten cara nu ngarak
dina cap-gome. Ramena
omong jalma geus lain
caturkeuneun, unggal sirah
pada boga komentar masing-masing.
Wiwirang Aom Usman,
Agan Sari katut barayabarayana geus lain dikieuna.***
(hanca)
13
15. Iman Dijaga, Gogoda Dunya Kajaga
Ku Arif Nur Hakim
A
lloh ngadawuh : Yaa ayyuhal
ladziina aamanuu laa tattabi'u
khutuwaatisy syaitoni, wamay
yattabi
khutuuwatisy
syaiton,
fainnahu ya'muru bil fahshaa'i wal
mungkar. Walao laa fadlullohi
'alaikum warohmatuhuu maa jakaa
mingkummin
ahadin
abadaw
walaakinnalloha yuzakki mayyasyaa'u wallohu sami'un 'aliim. Nu
hartosna : "Yeuh jalma-jalma anu
ariman! Maranéh ulah nurut kana
léngkah-léngkah sétan, karana sing
saha anu nurut kana léngkahna
sétan, nya saenyana manéhna geus
nitah batur ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung
lamun seug teu aya kurnia ti Alloh
katut rahmat-Na ka maranéh moal
aya nu beresih saurang ogé. Tapi
Alloh ngabersihkeun sing saha anu
dikersakeun ku Anjeunna, jeung
Alloh Maha Ngadangu, Maha
Uninga." (QS. An-Nur ayat 21)
Papagon Gusti Alloh sakumaha di
luhur kiwari atra kasaksénna. Rupa
jeung paripolah pangeusi nagara,
loba pisan nu patojaiah jeung papagon agama. Nu diturut lain nu bener,
tapi nu salah pangajakna sétan.
Padahal, Alloh Swt. nu Maha Uninga
tur Kawasa, nuduhkeun sangkan
manusa ulah nurut kana léngkahléngkah sétan.
Naon deui buktosna? Geuning
kariksa pisan, seueur ogé jalmajalma nu ngabalieurkeun ayat-ayat
Alloh. Papagon agama mung sakadar
simbol. Balukarna, karicuhan atawa
kamudorotan, timbul dimana-mana.
Beuki ngajauhan tina harepan baldatun toyyibatun warrobun gafuur.
Kapan kitu, dawuhan Alloh ogé
dina surat As-Sajdah ayat 22,
Waman adhlamu mimman dukkiro
14
bi'aayaati robbihi tsumma a'rodo
'anha, innaa minal mujrimiina mingtaqimuun. "Jeung naha lain taya anu
leuwih dolim batan jalma-jalma anu
diwawadian ku aya-ayat Pangeranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti
dinya? Saéstuna Kami bakal ngabales jalma-jalma anu jarahat."
Dawuhan di luhur, sanés waé
pikeun jalma nu iman, tapi keur
jalma-jalma nu munafék tur pasék.
Maranéhna pasti bakal meunang
wawales alatan kajahatanana.
Sakumaha ibroh nu dilungsurkeun ka kaum Nabi Musa a.s. Alloh
Swt. geus ngancurkeun kaumna nu
dolim ka Alloh jeung Rosulna.
Kaunggel dina surat Al-Araf ayat 95,
"Tsuma baddalnaa makaanas sayyiatil hasanah hatta 'afao waqooluu
qod massa aabaa 'a nadhdhorroo'u
wassarro'u faahodnahum bagtataw
wahum laa yasy'uruun." Nu hartosna
: Tuluy Kami ngaganti kajahatan ku
kahadéan nepi ka maranéhna jadi
ngarekahan. Jeung maranéhna
nyarita : "Saéstuna kamudaratan
jeung kasenangan téh geus tumiba ka
bapa-bapa urang". Tuluy Kami
nibankeun siksaan ka maranéhna
kalawan dadakdumadakan, sedengkeun maranéhna henteu saladar.
Ku margi kitu, dina ngeusian
kahirupan urang sapopoé ieu, hayu
urang tingkatkeun deui kaimanan
sareng katakwaan ka Alloh Swt. Lantaran upama henteu ngancik
kaimanan jeung katakwaan mah, cocoba téh bakal ngadeukeutan.
Sakumaha aya lenyepaneun urang
nu kaunggel dina dawuhan Alloh
Swt. Surat Al-Araf ayat 97-98, nu
kieu unina: "Afaa min ahlal quuroo
ayya tiyahum ba'sunaa bayaataw
wahum naa'imuun. Awalam min
ahlul quroo ayya tiayhum ba'sunaa
dhuhaw wahum yal'abuun. Hartosna
: Ku kituna naha pangeusi éta nagri
téh ngarasa aman katibanan siksaan
Kami ti peuting waktu maranéhna
keur sararé? Atawa, naha éta
pengeusi nagri téh ngarasa aman
katibanan siksaan Kami isuk-isuk
waktu maranéhna keur arulin?
Dilajengkeun ku ayat-Na : Wama
wajadnaa li aksarihim min ahdin
waiwwajadnaa
aksarohum
lafaasiqiin. "Jeung Kami henteu
manggih kalolobaan maranéhna anu
nyumponan jangji, tapi saenyana
Kami
manggih
kalolobaan
maranéhna parasék.
Naudzubillahi
min
dzalik.
Sakumaha pituduh Alloh nu Maha
Uninga, yén masih kénéh loba jalma
nu parasék. Kumargi kitu, kaum
muslimin masing tawekal sarta
mampuh ngajauhan sifat nu matak
ngaleungitkeun ati jati diri tina aqidah sareng ahlak anu méngpar tina
papagon agama. Kasauran Nabi SAW
ogé: Takhallaqu bi akhlaqillah. Anu
pihartoseunana, "Pelakeun ahlak
Alloh dina diri anjeun." Gerakgerikna éstuning leunjeuran tina
usaha ngarojong kana ngajagragna
kamanusaan anu mibanda ajén.
Balukar Hubbud Dunya
Bangsa urang geus teu kudu dicaritakeun deui. Kiwari, bangsa
urang geus katelah nagara pasar.
Atuh nagara-nagara batur gé, apan
sarumanget pisan daragang di nagara urang. Atuh pangeusi nagara
urang gé, jiga nu saruka bungah
kacida. Lantaran rék néangan naon
baé aya, bari teu kudu hararésé
urang nyieun jeung melakna.
Kumaha
balukarna?
Lantaran
Manglé 2455
16. saukur tempat nu daragang téa, nya
wayahna nagara urang kiwari jadi
tempat pamiceunan. Runtah patulayah, sarana pajuliwet, jalan macét,
loba nu jadi babu atawa nu siap ditutah-titah jeung sabangsana.
Ieu gambaran, nu muarana mah
lantaran urang teu sadar, geus hésé
leungit tina panyakit hubuddunya,
nu mikirna kumaha engké, lain
engké kumaha. Dawuhan Rosululloh
saw. nu hartosna: "Bakal datang ka
umat kami hiji jaman nu dina éta
jaman bakal loba manusa anu mikacinta lima perkara turta mopohokeun lima perkara séjénna...."
Naon lima perkara dipikacinta
kabina-bina ku umatna jeung naon
lima perkara anu dipopohokeun téh?
Rosulullah dina hal ieu ngadawuh :
"Mikacinta dunya tur mopohokeun
ahérat, mikacinta gedong hirup tur
mopohokeun
maot,
mikacinta
gedong sigrong poho kana kubur,
mikacinta harta banda tur mopohokeun hisabna sarta mikacinta
mahluk manan kholikna". (HR.
Bukhari Muslim).
Lamun ku urang ditaliti pisan hadits diluhur tadi sabenerna saruwa,
samaksud. Meureun basa nu lian
mah : Bakal datang mangsa nu ngabalukarkeun manusa katalimbeng,
kaséréd ku gogoda sétan. Nya éta hiji
mangsa sakabéh manusa geus muhit
sikep hirup anu materialistis
(hubuddunya) bari mopohokeun
kana urusan ahérat. Geus leungit
sikep zuhud anu diteruskeun ku istiqomah. Sabab maksud lima perkara
anu dimaksud tadi téh éta-éta kénéh,
leuwih mikacinta dunya manan
ahérat.
Mangpirang-pirang
papagon
agama geus nerangkeun masalah
dunya. Ditétélakeun dina surat AlQashash ayat 77. Dunya téh saukur
keur bekel, lain keur sagalana. Wabtagi fiima atakallohu darrol akhiroh.
Wala tansa nasibaka minaddunya,
wahsin kama ahsana ilaika. Nu
diterangkeun téh, mung ulah poho
kana dunya. Lantaran hirup di dunya
téh perelu bekel. Ngan, bekel nu dimaksud téh lain keur nanaon, tapi
keur tugas hirup di dunya. Naon
tugas téh? Wama kholaktul jinna wal
insan illa liya’buduun. Lain naonnaon tugas urang téh, tapi iwal ti
keur ibadah ka Mantenna. Atuh kaharti pisan, yén dunya téh saukur
keur bekel ibadah, lain kudu tihothat
keur nu séjenna.
As Syeikh Hasan Al Basri kantos
nyarios: Saha jalma tihothat lantaran
muru dunya nepi ka poho kana urusan ahérat, mangka Alloh bakal
nibankeun genep siksaan. Tilu keur
di dunya tilu keur di ahérat. Naon nu
tilu keur di dunya téh? Nu kahiji,
dina haténa bakal tagiweur, teu
puguh pangharepan. Kadua, nasfu
dina dirina henteu bisa dieureunan.
Cek paribasana mah tunggul dirarud
catang direumpak. Katilu, sagala
amal ibadahna bakal leungit
kamluyaanana.
Balukar nu tilu bieu, mémang geus
témbong kiwari. Saperti, pangeusi
urang loba pisan nu munggah haji,
malah nepi kudu ngadagoan sagala 10
taun kahareupna. Tapi kumaha ngancikna éta munggah haji keur dirina?
Boa-boa ugeran di luhur tadi geus
nerap ka pangeusi bangsa urang. Loba
nu munggah haji téh jalma nu hubuddunya. Hajina hayang katangar
hayang disebut beunghar jeung luhur
darajatna. Upama téa mah kitu,
pantes kadieunakeun, aribadah dina
amal séjénna ku Alloh dileungitkeun
barokahna, babari deui ngalakukeun
kama’siatan.
Sedengkeun balukar anu tilu keur
ahérat, nyaéta: kahiji, di ahérat
engké bakal hésé néangan jugjugeun,
bingung kabina-bina. Kadua, di alam
masyar, hisabna bakal ngabeuratan
dosa. Nu katilu, sedih kingkin
salilana.
Margi kitu, matéahkeun dunya
mémang kudu bener-bener luyu
jeung papagon agama. Éta nu bakal
nyalametkeun urang. Urusan dunya
mémang éndah. Tapi dijelaskeun
dina Al-qur’an surat al-Baqoroh, nu
dudunya téh lain jalma mulya.
"Kahirupan dunya keur jalma-jalma
kafir dijadikeun kaéndahan, jeung
maranéhna nganggap jalma-jalma
iman téh hina kabina-bina. Padahal
jalma-jalma nu tarakwa téh leuwih
mulya tibatan maranéhna di ahérat.
Jeung Alloh bakal méré rejeki ka
jalma-jalma mungguh Alloh kalawan
teu aya wates wangenna.”
Kitu deui dina surat Al-Hadid
ayat 20, “Sing arapal, saéstuna
kahirupan dunya téh mung saukur
kaulinan jeung nu ngabalukarkeun
lénglé.”
Kumargi kitu hayu urang
salawasa ngadu'a, mudah-mudahan
dina ngeusi kahirupan sapopoé ieu,
urang dijauhkeun tina fitnah,
hususna fitnah agama. Kitu deui
mudah-mudahan baris tetep aya
dina panyalindungan Alloh SWT.
Robbana dolamna anfusana wa 'ilam
tagfirlana wa tarhamna minal
khosiriin. Amin.***
tina internet
Manglé 2455
15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Hukum Matok Harga Ceramah
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab Munara Cahya anu dipihormat. Kumaha
hukumna pami mubalig matok harga
ceramah numutkeun Islam nyalira?
hatur nuhun.
Wassalam,
Faqir Rahmat Robbi
Cikancung Bandung
Waleran:
Ceramah atawa tabligh mangrupa
bagian tina kagiatan dakwah Islam anu
kacida mulyana. Nyebarkeun syi’ar
Islam ka satiap jama’ah, malah ka satiap umat anu aya di alam dunya ieu
kalayan niatan lillahi ta’ala. Tapi di
jaman kiwari dibarengan ku kamajuan
élmu jeung teknologi, teu saeutik ajengan (kiyai) atanapi ustadz (mubaligh)
dina nyebarkeun syi’ar Islam (dakwah)
tisolédat kana masalah matéri. Dakwah dijadikeun lahan bisnis, nepi ka
wani masang tarif bayaran atawa ngaharegakeun. Gedé jeung leutikna éta
bayaran umumna gumantung ka saha
anu ngondangna jeung ka mana diondangna.
Prinsipna, Islam ngameunangkeun
narima imbalan jasa tina hasil ceramahna, atawa tina hasil ngajarkeun
élmu agama, saperti ngajarkeun baca
tulis Alqur’an, cara ibadah solat, jeung
sabangsana. Tapi imbalan anu mangrupa materi éta ulah jadi tujuan utama
nepi ka keukeuh kudu nangtukeun
harga (tarif), sok komo saupama
nangtukeun tarifna di luar batas wajar.
Prinsip dasarna nalika ceramah tetep
niatan ngan sakadar karana Alloh SWT
(Lillahi Ta’ala). Lantaran, saupama
masang tarif harga ceramah bisa ngaleungitkeun ganjaran ceramahna sareng
kautamanana.
Ketua Komisi Fatwa Majlis Ulama
Indonesia (MUI) Prof. Hasanudin AF
nyebatkeun, dina ngajalankeun dakwah atawa ceramah atawana deui
16
nyebarkeun jeung nanjeurkeun syi’ar
Islam henteu meunang diémbél-émbél
ku masalah haliyah kadunyaan (imbalan), sabab dakwah dina ajaran
Islam mangrupa tugas suci ti Gusti
Alloh anu wajib dilaksanakeun ku
sakabéh umat Islam. Dina hal ieu,
sakumaha anu parantos dicontokeun
ku Rosululloh SAW sareng para
sahabatna, nalika nyebarkeun Islam
henteu katalian jeung henteu kapangaruhan ku imbalan anu mangrupa
materi, tapi justru lempeng tur panceg
niatna ngalaksanakeun paréntah ti
Gusti Alloh SWT. Ku hal kitu Prof.
Hasanudin AF miharep ka sakabéh
para mubalig supaya ulah matok harga
dina ngajalankeun tugas ceramahna,
sabab ku cara matok harga éta bisa
ngarusak citra mubalig atawa citra
dakwahna sorangan.
Katua Majlis Tarjih dan Tajdid
Muhammadiyah sareng Ketua Lajnah
Bahtsul Masail Nahdlatul Ulama samisami nyebatkeun, wiréh dina ajaran
Islam sacara étika, ulama atawa muballig
henteu meunang ménta imbalan atawa
masang/matok harga. Leres pisan, dina
ajaran Islam meunang narima imbalan
(buruhan) anu mangrupa materi tina
hasil ceramahna atawa tina hasil ngajarkeun élmu agamana, tapi ulah ku cara
matok harga, rék naon jeung kumaha
waé alesana sok komo bari jeung ménta
imbalan.
Ngeunaan masalah ieu saupama
niténan kana katerangan para ulama,
mangka katerangana kabagi kana dua
kelompok. Kelompok kahiji, nyebatkeun henteu meunang narima buruhan
atawa ngabisniskeun pangajaran élmu
agama kaasup pangajaran Alqur’an.
Pamadegan ieu dianut ku ulama-ulama
madzhab Hambali, Imam Zaidiyah,
sareng Ibadhiyah. Numutkeun pamadegan ulama-ulama ieu wiréh
ngajarkeun élmu syari’at atanapi ngajarkeun Alqur’an kaasup bakti tanpa
pamrih, tapi ngan wungkul Alloh anu
tiasa nganiléyna. Alloh Swt. ngadawuh:
“Naha anjeun ménta buruhan ka
maranéhna, terus maranéhna ngarasa
dibeungbeuratan ku hutang” (HR. alQalam: 46). “Jeung saéstuna hidep
henteu ménta buruhan ka maranéhna
tina kagiatan dakwah ieu. Hal ieu teu
aya sanés anging mangrupa pangajaran pikeun sakabéh alam” (QS. Yusuf:
104).
Dua ayat di luhur dikuatan deui ku
Hadits riwayat Ubay bin Ka’ab. Dina
hadis ieu disebatkeun wiréh Rosululloh
SAW ngingetan (negor) sahabat anu
narima hadiah tina jasa ngajarkeun
Alqur’an anu tos dilaksanakeunana.
Pidawuhna: “Saupama hidep narima
kana éta hadiah, mangka sajatina
hidep tos nyokot sakarung seuneu tina
naraka”. Hadis sanésna diriwayatkeun
ku Ubadah bin al-Shamit sareng
Abdurrahman bin Syibil, aranjeunna
nyebatkeun Rosululloh SAW kantos
ngadawuh: “Poma hidep ulah néangan
dahar tina hasil ngajarkeun agama
atawa Alqur’an, jeung poma hidep ulah
néangan kauntungan ku cara kitu”.
Sedengkeun golongan kadua,
negeskeun, yén meunang hukumna
narima buruhan tina hasil ngajarkeun
élmu-élmu agama jeung Alqur’an salila
henteu nangtukeun atawa matok
harga. Pamadegan ieu dirojong ku
ulama-ulama madzhab Maliki, Hanafi,
Syafi’i, sareng Hanbali, dirojong ogé ku
madzhab Zhahiri. Anu jadi dasarna
sakumaha hadis anu diriwayatkeun ku
Sahal bin Sa’ad. Anjeuna nyarios wiréh
Rosululloh SAW kantos ngobulkeun
nikah sahabatna kalayan maké maharna ku maos Alqur’an. Nyakitu deui
Umar bin Khathab kantos masihan
buruhan ka tilu jalmi anu ngajarkeun
Alqur’an di kota Madinah. Sa’ad bin
Abi Waqash sareng Amr bin Yasar
ngagaduhan tradisi atawa kabiasaan
masihan buruhan ka saha waé anu
maos Alqur’an dina salami sasih Romadon. Imam Malik kantos nyebatkeun: “Meunang narima buruhan tina
hasil ngajarkeun élmu agama sareng
Alqur’an. Malah saapal kuring (saur
Imam Malik) henteu pernah ngadangu
hiji ulama ogé anu ngalarangna”.
Wallohu ’alam.
Manglé 2455
18. Marentah Berbasis CSR
Ku Diah Fatma Sjoraida
G
eus aya kana leuwih ti dua bulan
Walikota Bandung nu anyar ngalaksanakeun pamarentahanana,
naon nu geus dirasakeun ku publik Kota
Bandung? Hiji patalekan nu hese dijawabna. Sabab sabagean publik nganggap
Walikota anyar can katingali gawena,
sabagean deui sabalikna. Tangtuna, “loba
hal” nu geus dibaladah ku Ridwan Kamil
jeung Oded M. Danial salaku walikota
jeung wakil walikota Bandung ti saprak diistrenan 16 September 2013, boh nu
sifatna mangrupa gagasan jeung wacana
atawana nu geus dieksekusi jadi kawijakan
jeung tindakan.
Kamekaran nu pangmutahirna, Walikota Bandung naratas jeung malah
ngaeksekusi kawijakan paangwangunan
fasilitas publik di Kota Bandung ku jalan
ngaraeh kakuatan pangusaha, boh pengusaha swasta atawana Badan Usaha
Milik Negara (BUMN) jeung Badan Usaha
Milik Daerah (BUMD) ngaliwatan danadana corporate sosial responsibility (CSR).
Cek cohagna, walikota Bandung kiwari
mimiti ngajalankeun kapamarentahanana
didadasaranan/ berbasis CSR, nyaeta
ngandelkeun waragad/ dana-dana CSR ti
sababaraha pangusaha swasta, industri
perbankan, atawana BUMN jeung BUMD,
saperti nalika “mencanangkan revitalisasi
taman kota” nu sifatna “tematik” saperti
taman cempaka nu aya di jalan cempaka
jadi taman fotografi nu diwaragadan
salahsahiji Bank Swasta di Kota Bandung
atawa pamasangan internet haratis ngaliwatan jaringan wi fi di masjid ujungberung
gawe bareng jeung PT Telkom.
Strategi nu dijalankeun RK-Oded, nu
mitembeyan ngalaksanakeun pamarentahanana ku jalan ngadayagunakeun danadana CSR mangrupa pilihan nu pas /
“tepat” ditengah-tengah transisi pamarentahan ti rezim heubeul ka rezim
anyar nu merlukeun keneh konsolidasi, nu
tangtu wae bakal ngakan waktu nu lain
sakeudeung-sakeudeung, idealna kuduna
mah dua triwulan geus “terkonsolidasi”.
Konsolidasi nu kudu dilakukeun walikota
anyar, nyaeta konsolidasi kawijakan jeung
program, konsolidasi birokrasi, konsolidasi anggaran, sarta konsolidasi jeung
DPRD Kota Bandung.
Manglé 2455
Konsolidasi kawijakan jeung program
nu tumalina jeung jangji-jangji kampanye
RIDO, nu kudu ditransformasikeun jadi
Rencana Pembangunan Jangka Menengah Daerah (RPJMD) Kota Bandung
salaku kewijakan jeung program lima
tahun ka harep salila RIDO merentah.
Lamun nyoko kana ieu katangtuan geus
kudu bisa diwujudkeun paling henteu
dina awal tilu bulan dina wangun hukum
Peraturan Walikota ngeunaan RPJMD
Kota Bandung. Saterusna RPJMD dibere
bentuk hukum Peraturan Daerah sabadana diguar bareng jeung DPRD Kota Bandung, ngaliwatan pembahasan sidangsidang DPRD Kota Bandung, sekaligus
minangka konsolidasi walikota jeung
DPRD Kota Bandung. Sabab dina konstruksi pamarentahan daerah, kapala
daerah jeung DPRD teh penyelenggara pamarentahan daerah. Jadi, kamitraan antara kapala daerah jeung DPRD dina
ngajalankeun pamarentahan daerah,
mangrupa hiji hal nu mutlak ayana.
Kamungkinan ayana “pergeseran paradigma” dina pamarentahan tina paradigma government ka paradigma go
vernance, ti nu sarwa pamarentah kana
multistakeholders nu nekenkeun kana
proses tata kelola kapamarentahan nu
hade (good governance), pilihan kawijakan walikota Bandung nu kakara ngalaksanakeun pamarentahanana salila genep
puluh poe leuwih nu ngajak stakeholders
pangusaha, mangrupa pilihan strategis.
Walikota Bandung ngaliwatan paraturan
walikota, bari nungguan beresna panataan
(nyusun) RPJMD kota Bandung, dina
awal kapamarentahanana geus netepkeun
dua puluh opat kolompok kerja. Lajuninglakuna tina eta kawijakan, ngaliwatan
bagean perekonomian sekretariat daerah
Kota Bandung geus medalkeun pedoman
kolaborasi pangusaha dina enggoning
milu aub ngawangun kota Bandung ngaliwatan “pendanaan tanggungjawab sosial
perusahaan (CSR)”.
Program jeung kagiatan nu dicanangkeun baris ditawarkeun ngaliwatan pendanaan CSR, diantarana program ling
kungan ngawengku subprogram kaendahan lingkungan 5 (lima) kagiatan, subprogram kebersihan 15 (lima belas) kagiatan.
Program kasehatan 9 (salapan) kagiatan,
program pendidikan 11 (sabelas) kagiatan,
jeung 5 (lima) kagiatan program ekonomi
masarakat. Total pendanaan nu diperlukeun keur opat program eta kira-kira
746 milyar 54 juta rupia. Jumlah kabutuh
waragad keur ngawangun kota Bandung
nu ditawarkeun ngaliwatan skema pendanaan CSR ieu ampir sapertiluna tina
APBD Kota Bandung taun 2013.
Tangtu wae lamun seug program jeung
kagiatan ieu bisa lumangsung mangrupa
kontribusi nu significant ti para palaku
usaha di Kota Bandung jeung sakaligus
mangrupa awal nu hade pamarentahan
anyar di Kota Bandung, nyaeta pamarentahan Ridwan Kamil jeung Oded M.
Danial. Tinggal saterusna, naha para
anggota DPRD, Birokrat, jeung warga
Kota Bandung bisa proaktif milu icikibung
dina miara lajuninglakuna program jeung
kagiatan pangwangunan di Kota Bandung
boh nu asalna tina pendanaan CSR
atawana tina sumber waragad lianna ,
saperti dana-dana APBD Kota Bandung,
APBD Provinsi Jawa Barat, atawana nu
sumberna tina APBN.
Prinsip-prinsip good governance saperti
akuntabilitas, transparansi, jeung partisipasi mangrupa prinsip-prinsip poko nu
salawasna kudu jadi komitmen jeung kudu
dijalankeun ku unsur penyelenggara pamarentahan Kota Bandung. Pon kitu deui
stakeholders lianna di Kota Bandung,
kayaning pangusaha, lembaga swadaya
masyarakat, jeung partey-partey politik.
Wilujeng kanggo Ridwan Kamil sareng
Oded M. Danial, mugia lulus-banglus
mingpin pamarentahan Kota Bandung
sareng tiasa nohonan jangji-jangjina dina
mangsa kampanyeu, tangtos warga kota
nyatet sareng bakal nagih kana jangjijangji anjeun duaan. Henteu di dunya, nya
engke di yaumil akherat . ***
17
19. Langit Téh Teuing Ku Lénglang
A
YA nu
nyandet
kana
angen,
basa
nénjo
Alia,
pamajikan kuring ti jauhna
kawas keur sasapu. Arfan,
Si Cikal nu can rék adian
waé, teu katénjo mapagkeun deuih. Sasarina mani
jojorowokan nyebut Papap
datang téh. Sabot ngonci
mobil di garasi, kadéngé
manéhna muka panto
hareup. Enyaan, aya serebét
18
Carta pondok Aam Amilia
nyangsang dina taktakna
jeung sapu dina leungeun
kéncana. Hanas ngahaja
balik beurang kénéh, rék
nganggeuskeun pagawéan
di imah. Hartina pembantu
téh geus mulang deui waé,
mun kostum pamajikan
kawas kitu mah. Hartina
soré ieu kudu nyébor pepelakan, hartina isukan
kudu mantuan nalingakeun
budak, hartina moal bisa
nganggeuskeun pagawéan
di imah téh.
“Geuning siang kénéh?”
pokna, bari terus ngaléos.
Kahayang mah langsung
nanya, na tos mulih deui
réncang nu énggal téh? Tapi
pamohalan. Dina kaayaan
pamajikan ngaheungheum
kakeuheul, teu sanggup
kudu loba tatanya. Bakal
aya sora kawas kacang
ninggang kajang, lamun kapana saran téh dibudalkeun
dina kaayaan kitu. Leuwih
hadé cucul- cucul disalin.
Sup ka kamar, biasa rapih.
Kop kana calana pondok
jeung kaos paranti di imah,
anu geus disadiakeun ku
manéhna dina luhureun
méja leutik. Karérét eunteung antik, anu di juruna
aya aksara leutik, ‘keep
silent’ . Kecap nitah jempé
téh tina stiker bawa pamajikan ti rumah sakit basa
ngalayad alona, iseng wé ditapelkeun. Sakapeung ari
pamajikan papanjangan
nyarita, sok ditunjuk éta
stiker téh.
Sajongjongan diuk dina
biwir ranjang. Maké pirajeunan hayang ngitung
sagala, pembantu nu panungtung téh nu
kasabaraha? Aya nu masih
inget, pedah kasusna rada
nenggang. Konah, pembantu pangirim mitoha.
Manglé 2455
20. Ngan saminggu cicingna di
imah téh.
“Ku naon dipiwarang
uih?” Kitu harita nanya téh.
“Atuda bodo. Mani
cangkeul miwarangna. Mun
dipiwarang téh teu cekap ku
sakali. Enjingna téh tos kitu
deui waé,” témbalna.
Kahayang mah harita téh
némbalan, nyasat, atuh,
geulis. Mun pinter mah
moal teuing hoyongeun janten pembantu. Tapi pamohalan. Da tangtu bakal
papanja ngan ngajak ngadu
argumentasi. Kapok! Sakali
mangsa kungsi dilisankeun,
yén ulah nyaruakeun pikiran urang jeung batur, sok
komo ka pembantu. Atuh
borolo waé lisan jawaban,
méh taya koma jeung peun.
Eta da dipirucaan muka
kasempetan jadi pembantu
di luar negri, jadi wéh hese
milari pembantu nu sae teh.
Akibat nu leuwih ngarugikeun, ditonggongan di enggon, samutut sapopoé. Nu
matak mun Alia nyawad
pembantu kukumaha ogé,
tara koméntar.
“Ka, rék emam ayeuna?”
pokna rada ngagorowok ti
dapur. Can gé ditémbalan
geus gorowok deui nanya.
“Badé sareng udang, badé
sareng lauk emas?”
Tah éta nu matak nineung téh. Usum dahar asa
di réstoran, dikaulaan kahayang. Usum di enggon,
asa pangantenan waé.
Mesra jeung ogo. Usum
nyaba, matak reueus
ngagéndéngna. Sanajan
sakumaha keuheulna, mun
geus tepung jeung panonna
nu cureuleuk, biwirna nu
amucuy semu kayas, pipina
nu konéng beresih. Ah, teu
daya teu upaya. Kabéh
kakeuheul kabawa palid, nu
nyangkaruk ukur kadeudeuh.
“Mun badé udang sareng
tumis buncis, mun lauk
emas tumisna kangkung.”
“Udang wé, tapi tumisna
Manglé 2455
kangkung, “ cék kuring.
Teu kadéngé némbalan,
ngan teu lila aya nu ngadupak kana irung. Seungit
udang nu matak ngahudang
lapar. Tangtu ngagoréngna
maké mantéga. Sup ka
ruang tamu, kop kana
koran. Panon molotot kana
aksara, tapi pikiran ngacacang, teu jauh, ka nu keur
masak di dapur.
Kungsi aya pembantu nu
rada lila, dua bulan. Ciwéh
ngaranna téh. Eta mah henteu dicawad. Ngan hanjakal
boga kasakit mengi. Mun
geus jadi téh, kalah matak
watir waé. Dijurungkeun
balik wé, malah dianteur
tepi ka lemburna. Kahayang
mah nyarék. Mending
urang coba ubaran heula,
ajak ka dokter. Lantaran
kuring lebar, Ciwéh
memenuhi sarat pisan.
Gawéna singer, cingceung
sagala bisa. Nyeuseuh,
ngalicin, ngepél, bébérés,
masak, cum laude wéh.
Jeung pangpang na mah
kulitna hideung, jeung rapang tapak cacar dina pipina. Perfect.
Da nu koneng pipina pipina mah, umur digawéna
ukur saminggu. Sanajan pagawéanana kapaké ogé,
Inah teu lana aya di imah.
Kasalahanana nu fatal, sok
maké calana pondok ari
keur di dapur. Unggal soré
sok mandi, terus dangdan.
Gék hareupeun tv, lalajo
bareng, di tengah imah.
Basa panceg poé katujuh,
Inah teu papanggih deui.
Teu wani nanya, da kaburu
kateuteup panon Alia nu
cureuleuk, biwirna nu amucuy, jeung pipina nu enay
konéng. Lebar, inggis
ngabaeudan, sok asa poék
bumi alam, ari dipangsamututkeun ku pamajikan
téh.
Kanyahoan sotéh alesan
Inah balik, basa Alia tisolédat di cai. Cék kuring harita,
naha atuh Inah bet sina uih,
apan capé sagala dipidamel
nyalira, bari nyangkéh
manéhna kana korsi, di
dapur.
“Atuda,” pokna agaeugeu, bari mencétan
sukuna.
“Atuda naon?” cék kuring
bari diuk gigireunana.
“Gumujeng moal?” pokna
bari gék diuk dina lahunan.
Leungeun kéncana meulit
kana beuheung. Irung kuring dipencét. Sababaraha
kali deui nanya, kuring
seuri basa dititah jangji
moal nyeungseurikeun,
mun ngadéngé jawaban
manéhna. Da eungap atuh
dipengék irung mah, gancang dijawab, moal, moal
seuri.
“Atuda nyebatkeun Kaka
kasép cenah, asa ningali
bintang pilem.”
Kuduna mah ambek,
nepika ditimburukeun ka
pembantu, tapi da teu bisa.
Malah saukur ngélingan
sangkan manéhna percaya
diri gé, lapur, teu wasa. Kahayang mah nyarita, yén
rasa mah kagungan Gusti.
Ulah ngabéda- bédakeun
manusa. Hak manusa
pikeun mikanyaah, da di
payuneun Allah SWT mah
urang téh sami, satata. Tapi
pamohalan bisa nyarita
kitu. Bet hayang nyarita
kieu gé teu betus. Maenya
boga pamajikan sakieu
geulisna, nepi ka kudu
heroy ka awéwé séjén.
Angger kemba. Sieun disebut gombal.
“Ka bade sareng sambel?”
sorana angger ti dapur.
“Iya dong, so pasti,” témbal kuring.
“Sambel tarasi, sambel
goang?”
“Goang wé.”
Kuring ngaringkang, ti
ruang tamu, sanggeus
nilepan koran. Di patengahan papanggih jeung porét
keur papangantén nu ngajeblag dina témbok. Beungeut
pinuh kabungah, laksana
ngaréndéng jeung mojang
nu dipicileuk ti mangsa kuliah kénéh. Alia, béntang
Fakultas Sastra Inggris, nu
jadi pujaan mahasiswa
Fakultas Teknik. Ari kuliah
sakampus, beda jurusan.
Samemenna bisa ngintip.
Hese babandinganana
kabungah, basa nyaho Alia
narima cinta. Kuring teu
nogéncang. Laksana ka balé
nyungcung, mayang henteu
kalangkangan, sababaraha
taun ti harita. Bungahna papangantén weuteuhna mah
ngan sabulan. Alia mimiti
marudah, hayang misah.
Ari Bapa sareng Ibu ngémutna praktis tur
ekonomis. Imah lega, anak
ngan sasiki, nanaonan
maké kudu misah, kalebarlebar duit dipake ngontrak.
Eta alesan geus diasongkeun, Alia milih pindah ka
imah indungna. Kuring nu
horéam tangtuna gé. Tanah
sacangkewok kagungan Ibu
warisan ti Embu, nu méré
solusi téh. Urunan, nyieun
imah camperenik nu ayeuna dicicingan.
“Ka, da teu aya lalab
anyar, nu kamari wé nya,
tina kulkas, urang leob
heula,” cék pamajikan. Teu
lila ngurunyung ka tengah
imah. Gék diuk dina lahunan, saperti biasa mun
datang ogona.
“Bagian Kaka kukumbah,
nya,” pokna. Tuh da enya,
ada maunya. Léos manéhna
asup ka kamar. Teu lila
kadéngé rada ngagorowok.
“Alia badé lohor heula,
bisi kabujeng séép,” pokna.
Kutan geus salat deui?
Geus beberesih meureunan.
Boro tadina mah rék nékad,
sakali ieu mah diomonganan. Kari kumaha engké.
Tapi ari geus beberesih
Nyambung ka kaca 29
19
21. Teu Tulus Nyorang Wiwirang
‘’G
us, kira-kirana bisa
teu mun
Aa rék
ménta tulung jeung
bantuan ka Agus?” ceuk Si
A Dadang lanceuk kuring
nu pangais bungsu.
“Nya naon kitu, A?” kuring malik nanya.
“Kieu puguhan, kusabab
di dieu Aa keur rariweuh,
Aa téh arék ménta bantuan
ka Agus, rék ménta tulung
pangmeulikeun mukena
jeung sajadah, keur nambahan mas kawin!” pokna.
“Haaar... ari barangbeuli
nu kitu mah kudu ku
awéwé atuh A, da teu arapal abi mah. Kuriak waé
salah engke téh!” tembal
téh.
“Nya keun baé, ngajakan
kabogoh Agus wé atuh,
sina mangmilihkeun!” A
Dadang nyéréngéh, da
geus nyahoeun kuring
boga kabogoh urang Tenjolaya. “pokona mah anu
sakirana cocog turata
kapilih ku Agus, pasti bakal
cocog pikeun Aa ogé! Tah
ieu duitna, sakalian jeung
keur ongkosna.” Si A
Dadang satengah maksa,
kituna téh bari ngasongkeun duit 100 rébuan tilu
lambar ditambahan ku nu
10 rébuan opat lambar.
“Tapi ketang, mun aya
kénéh sésana mah sakalian
wé pangmeulikeun Kurudung jeung Tasbéhna
hiji!” pokna deui.
“Nya ari kitu onaman
heg waé atuh. Isukan arék
ka Cikajang, ngarah meunang nu alus!” ceuk kuring
bari nampanan duit, diasupkeun kana dompet,
tuluy diteundeun handapeun tutumpakan
20
Ku Agus B. Irawan
pakean di jero lomari. Ari
nu keur ongkos mah
diteundeun dina saku jeket
levis anu rék dipaké
isukan, ngarah babari
nyokot maksud téh.
A Dadang, lanceuk kuring nu pangais bungsu,
samingguan deui arék
kawin. Puguh baé kiwari
téh keur meumeujeuhna
sibuk nyiapkeun sagala
rupa kaperluan. Di imah
ogé meuni hareurin ku
barang-barang jeung
bawaeun sésérahan. Da
kitu ilaharna di lembur
mah, geus tradisi, ari kawin téh kudu baé sésérahan! Untungna meunang
keun pipamajikaneun
batur salembur kénéh,
ukur béda RW. Jadi teu
pati jauh teuing! Ari pikeun mahar atawa mas
kawinna salian ti ku perhiasan téh ogé hayang diémbohan ku peralatan solat
cenah. Itung-itung ngélingan basana téh, ngarah
leket ibadah cenah.
Ma’lum atuda Ki Lanceuk
téh nu ieu mah rada
nyantri jelemana!
Umur Si A Dadang jeung
kuring téh pakokolot supa.
Nu matak kuring jeung Si
A Dadang ampir sapantar.
Dina rupa ogé sarimbag
deuih. Keur nu teu apaleun
mah disangka kuring jeung
A Dadang téh kembar!
“Dé, kersa teu upami enjing nganteur Aa ka Cikajang?” ceuk kuring nanya
ka Dede, kabogoh kuring
tea, basa pasosoré kaparengan panggih di masigit.
Ari arana aslina mah
Suhartini, ngan nénéhan
osok di Dede-dede baé!
Jeung da duka kumaha,
kuringna ogé asa genah
deuih nyebut Dede téh. Ari
manéhna ka kuring osok
nyebut Aa!
“Nya badé naon kitu, A?”
Dede malik nanya bari
kerung.
“Éta puguhan, Aa téh
dipiwarang mangmeserkeun mukena sareng sajadah ku A Dadang,
kanggo mas kawin cenah!
Tapina Aa téh teu pati arapal ari meuli nu kararitu
mah, bilih lepat, sieun teu
cocog! Badé nyuhunkeun
dianteur maksad téh,
kumaha kersa?”
“Ih, arisin teuing atuh A,
kedah mios paduduan
mah. Kuriak waé pada
nyarioskeun engké téh!”
Dede siga nu nolak. Tapi
Manglé 2455
22. ari nempo paromanna mah
kaciri bungah diajakan téh.
“Gampil atuh ari kitu
mah! Kieu wé, énjing
angkat ti dieu ulah sareng,
ngarah teu terang batur!
Dede angkat tipayun, antosan waé di tonggoh, di
Neglasari. Taah... engke
nembe Aa nyusul ti
pengker!” kuring nembrakeun siasat, mere j alan
bari ngolo sangkan daekeun. Dede ngahuleng
sakedapan siga nu keur
mikir. Teu lila pok ngajawab.
“Nya wios atuh ari kitu
mah, da kaleresan ketang
abdo oge aya peryogi,
gaduh pesereun!” pokna
pikabungaheun.
Satuluyna kuring jeung
Dede jangjian.
Rencana isukan téh Dede
sina indit ti heula kira-kira
jam 7-an. Kuring nyusul
jam 8-an. Tuluy tepung di
Neglasari di tempat
pamegatan mobil, tidinya
indit babarengan ka Cikajang.
Isukna, kira jam satengah dalapan kuring geus
rengse mandi, maksakeun
tiris-tiris oge. Keur jongjon
dangdan, HP kuring disada. Aya SMS ti Dede:
“Abdi tos di Neglasari.”
Cenah. Gancang dibalesan:
“Antosan, nuju dangdos.”
Cekeng téh.
Rék sajungna pisan indit,
kadéngé Ema gegeroan ti
lebah dapur. Gancang disampeurkeun, bisi aya
penting.
“Cing Gus, saméméh
indit, pangoméankeun
heula kandang hayang,
bodol meureun pipindingna! Itu, hayamna nu
keur orokan ngadon ngencar. Mangkaning osok cacakar, ngaruksak kana
pepelakan!” saur Ema bari
meresan wadah nu tas
dikumbahan kana pago.
Kuring nu geus saged
Manglé 2455
dangdan, kapaksa uculucul deui, diganti ku papakean paranti baranggawé
sapopoé. Koréléng ka pipir,
ka kandang hayam, teu
poho mawa palu, ragaji
jeung jongket. Enya baé
kandang hayam téh geus
barodol pipindingna.
Tayohna baé papan
papan pipindingna geus
barobo. Ku rinyuh deuih
ongkoh! Langsung harita
kénéh ogé dioméan.
Pipindingna diganti. Untungna téh Bapa kuring
mah rajin, mun aya bahbir
atawa sesebitan urut ngaragaji téh osok diampihan,
dikumpulkeun. Jadi ari
sakalieun perelu téh teu
harésé néangan.
Nu kangaranan tas umaome di kandang hayam,
najan saeutik oge teu wudu
matak kaluar kesang sarta
marerang kana awak, lantaran loba kekebul. Ongkoh
deui loba sieur, kapaksa
wae mandi deui.
Rek kana jam. Euleuh geuning geus rek jam 9!
Karunya teuing Dede,
meureun ngadekul nungguan ti tatadi, tada teuing
keseleunana.
Gesat-gesut kuring dangdan rurusuhan. HP disada.
Aya SMS ti Dede: “Cios
angkat moal?” cenah.
Kukuring dibales rada
ngabohong: “Nuju di
jalan!” cekeng téh. Rap
make jaket. Geus kitu gap
kana dompet nu ngagoler
luhureun bupet. Teu dialak-ilik, tuluy bae dibebeskeun kana saku calana
tukang. Sanggeus pamitan,
gura-giru kuring indit. Ema
nitah nyarap heula oge teu
ieuh digugu. Keun we
cekeng téh arek jajan di
jalan. Datang ka Neglasari
kasampak Dede keur
ngalelengkur nungguan.
“Ari sugan téh moal cios
angkat?!” pokna rada
baeud.
“Aduh, punten pisan De!
Tadi téh pas bade mios
pisan, dipiwarang ngomekeun heula kandang
hayam ku Ema! Janten we
telat!” kuring sasadu bari
nyusutan kesang dina beungeut ku saputangan.
Lumayan jauh jarak ti lembur kuring ka Neglasari
téh, aya kana 2 kilona.
Teu lila jol mini beus jurusan Pameungpeuk-Bandung ngaliwat, “Ka mana,
A?” keneh rikat nanyakeun
tujuan kuring.
“Ka Cikajang!” tembal
téh bari mikeun duit
10rebu dua lambar keur
ongkos kuring duaan.
Sanggeus kurang leuwih
aya dua jam di jalan, anjog
oge ka Cikajang. Sabenerna
mah teu jauh teuing Cikajang téh, jarakna kira-kira
35 kilometeran. Ngan kusabab jalanna pungkalpengkol pisan, katu
rug-turug nanjak deuih,
jadi elat. Jeung pangpangna mah eureun-eureunan, nu panglilana di
Cihideung aya kana satengahjamna, ngadon dahar
heula.
Turun tina mobil,
sanggeus reureuh sakeudeung, kuring jeung Dede
muru ka salah sahiji toko
pakean anu ngajual busana-busana Muslim jeung
alat solat kumplit. Di jero
toko kuring jeung Dede
milih-milih barang nu rek
dibeuli. Nyalse bae, da teu
pati loba nu barangbeuli.
Dede oge harita téh milihan
kerudung jang pakeeun
manehna. Sanggeus aya nu
cocog turta kapilih, tuluy
bae adu tawar harega jeung
nu boga toko. Tungtungna
mah jadi we, mukena, sajadah, kerudung katut tasbeh téh kabehanana 278
rebueun!
Kuring ngaluarkeun
dompet tina pesak calana
tukang, maksud téh arek
babayar. Tapi barang bray
dibuka... kuring kacida
ngajenghokna, kaget lain
dikieuna. Ari sabab dina
jero dompet téh euweuh
duit salambar-lambar acan.
Kudak-kodok kana saku
jeket, nu aya téh ukur duit
sesa ongkos 20 rebu, keur
ongkos balikkeun. Kuring
jadi bingung, hulang-huleng rampang-reumpeung.
Kakarek eungeuh, sihoreng
salah mawa dompet. Da ari
duit keur balanja mah diteundeun dina dompet hiji
deui, anu diteudeun handapeun tumpukan pakean
dina jero lomari. Kuring
jadi bingung pipetaeun!
Rek balik deui ka lembur
asa piraku, da sakitu
jauhna. Ari rek dibedokeun
moal enya deuih, bisi pajar
ngalejokeun.
Ningali kuring siga nu
keur bingung, Dede nyampeurkeun bari tumanya:
“Kumaha, atos A?” pokna.
Gancang ku kuring
dibawa nyalingker ka nu
rada sepi. Derekdek we dicaritakeun naon rupa nu
karandapan ku kuring
najan bari era-era oge.
“Euleuh, kumaha atuh
nya? Mangkaning abdi oge
ukur ngabantun artos
sakedik, ukur 100 rebu ieu
téh, moal matak picekapeun!” Dede oge sarua milu
bingung sigana téh. Tapi
teu lila manehna siga anu
boga akal!”
“Kieu we atuh A! Aa antosan heula di dieu, abdi
bade ngical heula kangkalung! Manawi cekap
kanggo mayar balanjaan!”
kalayan teu ngadagoan
jawaban ti kuring. Dede
tuluy ngaleos ka toko Emas
anu teu jauh ti dinya. Teu
lila geus balik deui. Creng
we balanjaan téh dipangmayarkeun ku Dede.
Berekah, ku pitulung ti
Dede sareatna mah, kuring
kajait tina wiwirang.***
21
23. Mangsa Cikapundung
Caina Herang
P
anon
kuring
nu boa
geus
mimiti
karijut
neuteup
sisi walungan. Angger
keneh walungan nu eta.
Ngaranna ge angger keneh
Cikapundung. Ti bareto
nepi ka ayeuna, kuring
angger ngaliwat kadinya,
da ngan eta-etana jalan
liliwatan lamun rek ka
pasar. Sanajan loba nu
robah, tapi keur kuring
angger neundeun panineungan nu moal bisa
kapopohokeun. Mun
bareto mah sisi walungan
teh rembet ku tatangkalan, kiwari mah ku nu
daragang. Poe eta mah
kuring asa hayang ngawawaas maneh ka waktu nu
geus kaliwat. Gek milu
diuk dina bangku panjang,
tukang dagang cikopi.
Hayang ngawaskeun cai
walungan. Boa moal lila
deui ge kuring moal ngaliwat deui ka dieu, da umur
teh geus cueut ka hareup.
Bray dina wangwangan,
pasosore ti tonggohkeun
barudak lalaki ngalabring,
bari marawa ban keur
ngojay. Terus maranehna
cucul-cucul rek marandi.
Papakean disampaykeun
kana gantar paranti popoe. Gebrus marandi bangun nu suka bungah
pisan. Beulah tonggoh aya
curug, caina ngagulidag.
22
Carita pondok Eti
Gigireunana deukeut sedong aya gawir. Ti dinya
barudak nu marandi
ngarajleng ngadon boksay,
saterusna kokojayan papalidan ka hilirkeun.
Unggal poe ge sok haneuteun lebah dinya mah
ku nu ngadon marandi,
rereana urang jarauh beda
lembur. Aya oge nu ngadon ulin sisi walungan.
Pamandangan endah
pisan, komo lamun pasosore hade poena. Nu
nyeuseuhan bae aya. Sisi
walungan tanahna datar
lega pisan. Barudak
awewe ulin ucing-ucingan.
Lamun bosen mah sok
maen gatrik atawa bebentengan, di sisi walungan
nu liuh tur lega.
Kasubuhnakeun hawa
karasa nyecep tiis. Kuring
lilir kageuingkeun ku sora
beker disada, nandakeun
pukul lima kurang saparapat. Hawar-hawar kadenge sora cikipak-cikipung
ti kajauhan. Cai diulinkeun ku leungeun nu keur
mandi nurutkeun iramana. Jrut kuring turun ka
walungan terus mandi.
Mandi di walungan teu
wani ke tengah da tarik
pisan caina. Di sisi oge
rada jero. Karasa seger
kana awak. Beres mandi
terus balik ka imah. Beuki
lila poe maju ka beurang.
“ Tin nambut gilesan
nya, upami moal waka
nyeuseuh mah ?” cek Ceu
Adah.
“Mangga ceu, engke
abdi mah rada siang.
Mangga bae bade dianggo
mah,” tembal kuring.
“Tuh Ma Ecin mah tos
beres deui nya nyeu-
seuhanana,” cek Ceu
Adah ngareret ka Ma Ecin.
“Muhun ieu kantun
moe-moekeun,” tembal
Ma Ecin nyarita rada
Manglé 2455
24. tarik. Mani asa nongtoreng keneh kana ceuli,
eta paguneman sisi walungan. Cikapundung mangsa
caina canembrang herang,
sok diparake nyeuseuh
jeung mandi.
Samemeh indit sakola
kuring sok mantuan heula
Ema angnyeuseuhankeun,
ari nyangu jeung masak
mah bagian Ceu Wawat,
lanceuk kuring. Poe harita
kuring rada keueung rek
ka cai subuh-subuh teh,
tara-tara ti sasari.
Kabeneran aya Wa
Manglé 2455
Endi. Kuring nuturkeun ti
tukang, Wa Endi ka
hilirkeun.
Isuk-isuk ti beulah kaler
sora jalma ribut. Kuring
nyampeurkeun terus nanyakeun ka Ceu Adah aya
kajadian naon.
“Aya naon Ceu asa rame?”
cek kuring.
“ Eta aya nu palid,
nyangsang palih ditu.”
“Duka urang mana, tos
pupus.”
“Istri atanapi pemeget
Ceu ?”
“Istri cenah kinten-kin-
ten yuswa genep belas
taunan.”
“Euleuh hawatos nya!”
“Muhun jigana teu
damang, panginten matak
geubis ge.”
“Saurna mah nincak
batu leueur, tisorodot
teras ka candak ku cai
tarik.” Bi Ita nyambungan.
“Oh, kitu.” Paguneman
eta ge asa nongtoreng deui
dina ceuli. Asa cikeneh kajadianana, asa kakara kamari. Padahal geus
puluhan taun lilana.
Kajadian aya nu palid
geus leuwih ti dua kalina
kuring nyaho. Aya nu katulungan, aya oge nu terus
jadi layon. Dina mangsa
caah gede rupa-rupa
kaayaan hate jelema. Aya
nu bungah, aya oge nu
sieun. Ari nu bungah
tangtu bakal meunang untung, bisa ngecrik, bisa
nyair lauk nu paralid
atawa lauk nu mabok. Ari
nu keueung jeung sieun
mah nu boga imah sisi
walungan, inggis kabawa
umpalan mudal, imah
kakeueum ku cai. Malah
geus kungsi urang dinya
kudu ngungsi ka tempat
nu rada luhur, sasabaraha
poe mah.
Ngan nyeta, asa dina
panon deui wae, tetenjoan
satutasna caah. Kaayaan
sabudeureun walungan
kacida endahna. Batu
galede jeung nu laleutik
parentul.
Loba nu ngunjalan batu,
keur pondasi imah. Aya
oge nu ngagunduk-gunduk keur jualeun. Tukang
ngala keusik kacida
mucekilna. Keusik walungan mangrupa sumber
kahirupan keur Pa Eme,
Pa Astar jeung Pa Enggot.
Kaasup bapa kuring.
Ayeuna mah kabeh ge
geus ngarantun. Bapa
mah ngarahna teh batu
laleutik, tapi lain jualeun.
Beunang milihan diasupkeun kana karung mangrupa ares, keur bahan
campuran ngabeton.
Ari Pa Astar, isukna
geus bisa ngangkut keusik
tuus, beunang moe kamari. Keusik terus diakut,
ditanggung, dijual ku
tukangna ka toko matrial
Juragan Thohir. Inget
keneh kurig ge, itunganana, unggal 12 tanggungan
diitung sakibik. Walungan
Cikapundung harita, jadi
sumber kahirupan warga
sabudeureun kuring. Inget
keneh sakapeung sok aya
mahasiswa paguron luhur,
resimen mahawarman nu
ngadon latihan peperangan meuntas walungan
dina cai nu sakitu jerona.
Ah, Cikapundung, gede
pisan sumbangsih anjeun
kana kahirupan manusa
mangsa harita, gerentes
teh. Inget kana kasauran
Hajjah Mariyam, nutat
surat Ar-Rahman, Nya
ni’mat pangeran maraneh
nu mana nu ku maraneh
dibohongkeun teh ? Maha
berkah asma pangeran
maneh, nu kagungan kaagungan jeung kamulyaan,
saurna basa nutup ceramah rutin, di masjid
lembur kuring.
“Bu bade cikopi?” cek
tukang dagang,
ngareureuwas, asa ngagebah kuring, nu keur
ngawawas, herangna Cikapundung, mangsa harita.
Kuring ukur gideug bari
nganuhunkeun. Tamba
era meuli pisang goreng,
sapuluh siki. Lalaunan
cengkat, ninggalkeun
walungan nu ayeuna mah
geus salin rupa, da pajamanan ge geus robah
pisan. ***
Ciwidey,
Oktober 2013
Panglawungan 13
23
25. GOTRA SAWALA:
Urang Sunda dijadikeun obyék
Catetan Ajip Rosidi
K
uring narima
uleman ti Gubernur Jawa
Barat, pikeun
nungkulan
“Gotra Sawala West Java:
Global Cultural Gathering”
nu diayakeun di Bandung
tangga. 6 jeung 7 Désémber, 2013. Séminar diayakeunana di Hotél Savoy
Homann Bidakara, ari pintonan diayakeunana di Gedung Merdéka. Tapi sapoé
saméméh séminar, nyaéta
dina tanggal 5 Désémber,
diayakeun acara ka “Gunung Padang Archeological
Site”, sarta sabada acara
“keynote lecture” ku Professor. Anthony Reid langsung diayakeun “Special
screening of the gigantic
Gunung Padang recent
archeological discovery” nu
dituluykeun ku pedaran
ngeunaan Gunung Padang
ku Danny Hilman. Nimbulkeun
kesan yén séminar nu disebut “global
culture gathering” mah diayakeun
sotéh pikeun nyimbutan diutamakeunana masalah Gunung Padang nu
keur digali ku sabab aya nu yakin yén
di dinya aya piramid.
Kuring henteu nyumponan uleman, henteu nungkulan Gotra Sa24
wala.
Ari sababna ulemanana nimbulkeun pertanyaan dina haté. Kahiji,
ngan ditulis dina basa Inggris, henteu
aya basa Indonésiaan, padahal kuring
yakin nu diulemna mah lolobana
bangsa Indonésia, utamana urang
Sunda. Lamun dina Gotra Sawala nu
digunakeunana basa Inggris baé,
hartina Gotra Sawala henteu tuhu kana Undang-undang RI no. 24 taun 2009
ngeunaan Bandéra, Bahasa dan Lambang Negara
serta Lagu Kebangsaan.
Pasal 32 éta Undang-undang unina: “Bahasa Indonésia wajib digunakan
dalam forum yang bersifat
nasional atau forum yang
bersifat internasonal di Indonésia”.
Kadua, dina uleman
dibéréndélkeun acara nu
baris dibahas jeung dipintonkeun dina Gotra Sawala. Waktu dititénan
geuning méh kabéh nu
dipénta ngajejeran dina
séminar umumna urang
deungeun, jeung lolobana
anu tacan kabandungan
aya nulis ngeunaan kabudayaan atawa kasenian
Sunda nu dipublikasikeun
di urang, boh dina basa
Inggris boh dina basa Indonésia
atawa basa Sunda. Nu kungsi némbongkeun kaahlianana ngeunaan
kasenian Sunda nu kuring terang
ngan Wim van Zanten (urang Walanda ahli tembang Cianjuran) jeung
Kathy Foley (urang Amérika Serikat
ahli wayang golék, sering ngadalang
dina basa Inggris). Wim van Zanten
Manglé 2455
26. ngamajukeun makalah ngeunaan
“Past : Music”. Ari Kathy Foley ngeunaan “Future Dance”.
Nu matak hémeng nu dipénta
méré ceramah utama (“keynote lecture”) téh Prof. Anthony Reid ti ANU
(Australian National University, Canberra). Anjeunna mémang Indonésianis sohor, tur geus loba nulis buku
ngeunaan Indonésia, tapi umumna
perhatianana kana sajarah Sumatera.
Asa tacan manggih tulisanana ngeunaan Jawa Barat atawa (kabudayan)
Sunda. Anjeunna baris sasauran
ngeunaan “West Java: Past, Present
and Future”. Naha anjeunna ngamimitian neundeun perhatian kana
kabudayaan Sunda atawa sajarah
Jawa Barat? Tangtu urang kudu bungah lamun enya kitu téh. Hartina
Jawa Barat jeung (kabudayaan)
Sunda mimiti jadi perhatian sarjana
sohor anu jembar kauningana sarta
produktif. Mudah-mudahan moal lila
deui aya buku medal karyana ngeunaan Jawa Barat atawa sajarah Tatar
Sunda.
Di antara nu ngajejeran dina séminar ngeunaan “West Javanese Arts &
Culture: Past, Present & Future” salian
ti Wim van Zanten jeung Kathy Foley
aya pangarang Indonésia nu sohor
nyaéta Remy Sylado, urang Manado
anu cenah bisaeun basa Sunda tapi
asa tacan kungsi maca tulisanana nu
ngeunaan kasenian atawa kasusastran
Sunda. Manéhna baris ngabahas “Arts
& Culure”. Ari nu duaan deui, Lucky
Hendrawan jeung Benny Johannes
kuring mah asa kakara ngadéngé.
Tina ngaranna Lucky Héndrawan bisa
jadi urang Sunda, ari Benny Johannes
mah kuring teu bisa naksir urang
mana-urang manana. Ngan asa tacan
kungsi maca tulisan beunang atawa
ngeunaan maranéhna patali jeung
kabudayaan atawa kasenian Sunda.
Bisa jadi nulis disertasi ngeunaan
kabudayaan atawa kasenian Sunda di
salah sahiji universitas di mancanagara. Kuring henteu nuturkeun kabéh
tésis atawa disértasi ngeunaan Sunda
atawa Jawa Barat di sakabéh universitas di sakuliah dunya. Lucky Hendrawan baris ngabahas perkara
“Semiotic of Sunda Culture”, ari
Benny Johannes baris ngabahas “Present Theater”.
Nu baris méré koméntar ngeunaan
Manglé 2455
bahasan-bahasan nu diajukeun ku nu
ngajejeran gé, henteu aya urang
Sunda hiji-hiji acan.
Naha henteu aya ahli urang Sunda
anu bisa diasongkeun pikeun milu
kana “global cultural gathering”?
Naha henteu aya urang Sunda anu
pantes milu nyarita dina forum nu jiga
kitu? Atawa ahli urang Sunda mah dianggap euweuh? Mangkaning ngeunaan kabudayaan jeung kesenian
Sunda!
Atawa ngahaja para ahli urang
Sunda mah disina ulah pipilueun dina
“global culture gathering”, da dianggap leuwih hadé ngabandungan
kumaha ceuk urang deungeun baé.
Sabab urang deungeun mah dianggap
leuwih jembar kauningana jeung
baris loba mujina. Henteu rugi ngadatangkeun urang deungeun ti nagarana gé, ari loba mujina mah. Da ti
baheulana urang Sunda mah resep
lamun dipuji ku urang deungeun. Da
urang Sunda mah kakara ngajénan
kasenian atawa kréasi bangsana
lamun geus dipuji ku urang deungeun.
Nu leuwih matak hémeng, méh
kabéh pintonan anu diayakeun dina
Gotra Sawala téh karya urang deungeun, ari bangsa urangna mah ngan
jadi “in collaboration with” wungkul.
Nu dipintonkeun ku urang Sunda baé
mah ngan Beluk, Topéng Banjet jeung
Topéng Losari.
Jiga pisan Gotra Sawala téh diayakeun pikeun méré kasempetan ka
urang deungeun anu dialajar kasenian
urang mintonkeun kabisana. Dibarengan (“in collaboration with”) ku para
seniman urang, naha maksudna
pikeun nuduhkeun yén maranéhna
bisa ngatur para seniman urang? Da
tangtu dina éta pintonan téh nu
ngaturna urang deungeun lain para
seniman urangna, nu hartina anu dipintonkeun téh lain kasenian Sunda,
paling ogé kasenian ciptaan urang
deungeun nurutan kasenian Sunda
bari dibantuan ku seniman Sunda.
Seniman Sundana mah ngan dijadikeun panambah.
Cindekna Gotra Sawala nu diayakeun ku Gubernur Jawa Barat téh
ngan ngajadikeun urang Sunda jeung
kabudayaan Sunda jadi obyék, da
henteu aya ahli urang Sunda anu
dipénta ngajejeran acara nu dibahas.
Naha dianggap henteu aya urang
Sunda anu ahli ngeunaan kabudayaan jeung kasenian Sunda?
Lamun aya saran-saran pikeun
ngamekarkeun kasenian Sunda hasil
tina ieu Gotra Sawala, naha ku Pamaréntah Jawa Barat baris dijadikeun
cecekelan pikeun ngamekarkeun
kasenian Sunda? Hartina pamaréntah Jawa Barat ngahaja ménta urang
deungeun pikeun ngamekarkeun
kasenian jeung kabudayaan Sunda?
Dina jaman dijajah Walanda,
urang Sunda dijadikeun obyék ku nu
nyekel kakawasaan -- urang Walanda.
Nyebut alus ka nu disebut alus ku nu
nyekel kakawasaan.
Nyebut penting ka nu disebut
penting ku nu nyekel kakawasaan.
Cindekna urang mah ngan jadi obyék.
Henteu (meunang) boga kahayang
jeung ajén-inajén sorangan. Sanggeus
urang merdéka tina jadi obyék urang
jadi subyék.
Tapi hal éta téh henteu babari,
sabab masarakat Sunda pageuh pisan
nyekel kana féodalisme nu saenyana
mah datangna ka urang téh sabada
urang dijajah Mataram. Geus biasa
jadi obyék, tara wani ngamajukeun
pamanggih sorangan da bisi henteu
luyu jeung pamanggih nu keur nyekel
kakawasaan saluhureun. Sanajan
geus boga Undang-undang Otonomi
Daérah, para gubernur jeung nu jareneng di Jawa Barat angger baé ngaheulakeun kahayang urang Jakarta di
pusat manan ngaheulakeun kapentingan rahayat Jawa Barat nu lolobana
urang Sunda mah.
Ku diayakeunana Gotra Sawala nu
jigana di tukangeunana mah hayang
nedunan kahayang pembantu presidén anu keukeuh hayang ngagali Gunung Padang da cenah di jerona aya
piramid – sanajan lain widangna
jeung geus dibantah ku para ahli
géologi jeung arkéologi gé.
Nu baris rugi mah Déddi Mizwar
nu anyar diangkat jadi Wakil Gubernur. Kari-kari manéhna urang Jakarta
jadi Wakil Gubernur, Pemda Jawa
Barat ngayakeun Gotra Sawala nu
jelas ngajadikeun urang Sunda jeung
kabu dayaan Sunda ngan ukur obyék
bangsa deungeun tur ahli urang
Sunda mah henteu aya nu dipénta
nyaritakeun pamanggihna dalah
ngeunaan kasenianana sorangan.
***
25
27. GURU HONORÉR, WILUJENG ÉNJING!
Ku: Anggi Novia Dewi
G
uru téh pahlawan tanpa tanda
jasa. Guru téh kirata tina jalma
nu digugu jeung ditiru. Guru lir
cahya nu sorotna nyaangan unggal rohang élmu pangaweruh. Guru nu ngajarkeun kaparigelan maca, nulis, jeung
ngitung. Guru nu tulatén ngaping
rinékana pribadi pamilon atikan kana
udagan kaparigelan jeung pangaweruh
kahirupan. Guru nu percéka nganteur
léngkah jeung tarékah kana udagan
kahirupan. Profési atawa pakasaban
naon waé, sungapan élmu pangaweruh
mimitina mah ti guru. Guru, profési tan
wates wangen.
Ngan hanjakal, guru nu élmuna tan
kendat ngocor téh teu salawasna
dibarengan jeung kahirupan ékonomina nu raharja. Pangna guru honorér.
Ka ditu ka dieu néangan jam ngajar
pikeun ditukeurkeun jeung rupiah.
Rata-rata guru honorér kudu ngajar di
dua sakola atawa leuwih. Malah mandar aya guru honorér nu dina samingguna ngajar di lima sakola, peutingna
masih kénéh kudu méré lés. Naha nepi
ka kitu?
Mugi pada ngamafhum, gajih guru
honorér leuwih leutik ti tukang macul
atawa tukang bangunan. Moal disebutkeun écés sabaraha jumlahna. Inggis matak ngarakacak. Ngan gajih guru
honorér perbulan moal leuwih ti angka
nu enolna lima.
Duka ti iraha jeung ti saha mimitina,
geus jadi kacapangan gajih perbulan
guru honorér mah teu dikali opat
minggu. Jadi, kumaha ayana jumlah
jam ngajar dikali sabaraha perjamna.
Sakitu nu bakal katampa ku guru honorér. Tangtu moal saluyu upama dibandingkeun jeung itungan jumlah lawu
ngan guru di kelas nu kudu dicumponan opat kali dina sabulanna.
Aya ogé sistem gajih guru honorér
anu dikali opat minggu, tapi perjamna
kawilang leutik pisan. Mun diutangitung téh sarua baé leutikna jeung nu
26
teu dikali opat minggu. Cindekna, jauh
tanah ka langit upama diobrolkeun
jeung Upah Minimum Régional (UMR)
mah.
Ku kituna, sanajan awak rancucut
alatan guyang késang, ngajar di ditu,
ngajar di dieu, ti isuk nepi ka soré,
kahirupan ékonomi guru honorér jauh
tina raharja.
Komo upama mireng demo buruh nu
nungtut gajih tilu nepi ka opat juta perbulan. Kaayeunakeun Pemkot Bandung
keur négosiasi jeung tukang ngamén nu
sok marangkal di setopan lampu
beureum, sangkan eureun tina pakasabanana tuluy jadi tukang sasapu di
jalan. Tukang ngamén baris sadia
upama digajih opat nepi ka sapuluh juta
perbulan. Tangtu jumlah gajih éta tungtutan ti dua profési téh jauh pisan
dibandingkeun jeung gajih guru honorér mah.
Naha kungsi guru honorér demo
pikeun nungtut gajih supaya ngundak
satata jeung profési liana? Jawabanana
kungsi, ngan duka teuing teu dipiroséa,
duka teuing mémang taya anggaranana
keur ngagajih guru honorér mah. Saha
deui nu baris nalingakeun karaharjaan
guru honorér? Jawabanana sing saha
jalma nu masih mibanda raga katineung kana nasib guru honorér,
pangna nu keur mancén nyepeng
kakawasaan jeung kawijakan.
Sok sanajan upama dipatalikeun
jeung sarat kasang tukang atikan kudu
kaluaran kuliahan, sarat administrasi
atikan ti dinas, tungtutan sakola jeung
kolot pamilon atikan nu kudu dicumponan ku guru honorér, teu sabanding
jeung gajih nu ditarimana.
Ceuk pangrasa, dilégég-légég ogé
“tangtungan” guru honorér mah moal
salégég jeung pagawé pabrik komo
upama dibandingkeun jeung légégna
pagawé kantoran mah. Guru honorér
ngan meunang légég tina simana
wungkul atawa tina pola pikir jeung
sikep wijaksanana.
Sanajan kitu, guru honorér tara
ngarasula komo deui nungtut nu
ahéng-ahéng atawa kaleuleuwihi ka pamaréntah siga nu teu nalipak manéh.
Sumawonna tara luh-lah kana nasib
diri. Seja tumarima gajih sabaraha ogé,
dicekap-cekap dugi ka manggih tanggal
gajihan deui nu kadang sok elat.
Aranjeuna mah soson-soson wé ngajar di kelas. Mesék élmu jeung pamilon
atikan, madungdengkeun sawangan,
atawa ngahaleuang nembang, malah
mandar sareuseurian manggih kasugema.
Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,
Wilujeng Énjing!” minangka tanda hormat nu taya papadana ka aranjeuna nu
kungsi ngajarkeun ngitung bilangan ti
hiji nepi ka sapuluh, nu ahirna jalma
bisa ngitung nepi ka mangyuta-yuta
jumlahna.
Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,
Wilujeng Énjing!” minangka tawis
panuhun nu taya watesna ka aranjeuna
nu kungsi ngajarkeun maca jeung nulis
a, i, u, e, é, eu, jeung o, nu ahirna jalma
bisa ngaréka lisan jeung tulisan nepi ka
mangréwu-réwu kecapna.
Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,
Wilujeng Énjing!” minangka pangdunga ka aranjeuna nu ikhlas, tulatén,
jeung sabar dina ngaping, ngatik, jeung
ngadidik pamilon atikan. Mugi jasa
aranjeun diganjar ku Gusti.
Ieu tulisan dijudulan “Guru Honorér,
Wilujeng Énjing!” minangka pangrojong ka guru honorér nu gajihna saciwit
pikeun kukuh pengkuh, ajeg, tumetep
ngagedur seuneu sumangetna sangkan
caang unggal rohang élmu pangaweruh. Sangkan éta sumanget téh
tumetep hibar siga sumanget hirup
wanci isuk-isuk.
Baitii, 8 Oktober 2013
Kahatur utun inji
Manglé 2455
28. USUM ANJING KAWIN
Ku Abah Endan Sukanda
B
ulan Safar, bulan kadua
dina kalénder Islam pikeun
masarakat urang (Sunda)
mah sok dipakaitkeun jeung sué
atawa sial. Malah dina bulan Safar
kaitung loba “pamali” kayaning
pamali ngawinkeun, pamali ulah
papacuan kuriak ngawangun imah
jeung bakal nerekabna sasalad panyakit anu matak muringkak
saawak-awak muriding sabulubulu gading.
Ari nu disebut pamali téh taya lian
ti kapercayaan buhun, cenah mah
upama dirempak matak jadi
matak. Nya aya naon atuh dina
bulan Safar téh? Deui-deui ieu
mah dumasar kana kapercayaan
buhun jaman jahiliyah di jazirah
Arab anu ngamimitianana. Aya
kabiasaan maneuh urang Arab,
mun cunduk bulan Safar sok
aringkah jauh ti imah, taya lian
pikeun ngayakeun perang atawa
pariknik ka tempat-tempat nu
jauh. Tumerapna, imah-imah jadi
karosong. Nya dihartikeun wéh
Safar téh sarua jeung “kosong”.
Safar dihartikeun “koneng” sabab
marengan usum panas anu tumiba, tumerapna dangdaunan
karoneng tuluy maluguran jadi
kalakay. Safar dihartikeun ogé
salasahiji sasalad panyakit nu
matak muringkak, majar cenah ku
sabab aya hileud gedé nyileungleum dina butun akibat panggawé
batur. Pantes torojol wéh aya
hadis sohéh, “Taya sasalad anu
nular, taya sué tina manuk bueuk,
jeung taya sué tina bulan Safar”
(H.R. Bukhari Muslim).
Di lembur kuring nu jauh
Manglé 2455
manyang-munyung, tepi ka kiwari
ogé masih keneh diparuhit kapercayaan pamali kawinan dina bulan
Safar téh. Da ari guyubna anu
karawinan mah marilihna sok
bulan Rayagung. Dasar geus kitu
wé tahayul kudu ngabaju ka urang
lembur, hayoh deuih dina bulan
Safar téh di lembur kuring mah
sok ramé ku ragég-na anjing
karawin. Ceuk sohibul kokolot di
lembur, mangka ati-ati dina bulan
Safar mah sok aya sasalad panyakit to’un. Nerekab deuih kapercayaan, pamali kuriak nyieun
imah dina bulan Safar, sabab
bakal kakeunaan musibah kahuruan, dihartikeun (bari rada disiga-siga) Safar téh “saparo”
saparo kahuru saparo deui nyésa.
Aya-aya waé...
Enya ku aya-aya waé ari
tahayul di lembur (di kota mah
sawadina kudu geus ilang). Nyasat
ari di lembur kuring mah da suhunan imah ogé tingparencil, tingrunggunuk kahalangan rungkun.
Isuk-isuk tingkurumuy, bray beurang sapangeusi lembur riab ka
huma. Wanci sareupna raéng
tongérét banén; reup peuting
narumpi dipépéndé simpé. Sakalikalieun ngaliwat koréak, méré tangara barudak ulah saré nang
karak; atawa hawar-hawar puyuh
jalu bebencé téa ngabéjaan aya
bapa maling keur ngintip anu
ngadahdir. Kueuk-kueuk sora
bueuk, tah euy aya céndol teu
dikalapaan, ngajendol euweuh
bapa-an. Bray beurang mun aya
cipeuw ngelak dina tangkal, tulang
kuwiwi atawa siit-uncuing manyanyi, cenah sok aya anu rék
maot. Pan enya aénul-yakin, anu
maot mah mémang Sunnatulloh,
enya remen kasaksian ku urang.
Dalah urang saréréa ogé pasti
bakal ngalaman, mun dihin enggeus pinasti. Pan nyata DawuhanNa anu kaunggel dina Q.S
Luqman ayat 34, Q.S Al-A’raf ayat
34, jeung Q.S Yunus ayat 49, jeung
Q.S Ali Imran ayat 145. Saperti diantarana anu kaunggel kieu,
“Jeung
pikeun
saban-saban
ummat ogé aya ajalna. Nya upama
datang ajalna, maranéhna moal
bisa ménta dipundurkeun sakeudeung ogé, jeung moal bisa ménta
dipajukeun” (QS. Al-A’raf, 34).
Dina bulan Safar Kangjeng
Nabi Muhammad SAW nikahkeun
putri kameumeutna Siti Fatimah
Az-Zahra. Pernikahan anu langgeng sapanjang sajarah ummat
Islam. Ngan anéhna, ari ngawinkeun dina bulan Safar teu ditarurutan, ari do’ana diparaké
dina surat ondangan. Do’a anu
kieu téa geuningan, “semoga Alloh
mengumpulkan yang terserak…
,jst”
Bawirasa pikeun sa-Abaheun jeung anak-incu di lembur,
jeung tibatan ngagugulung tahayul anu teu puguh mah asa
bakal leuwih mangpaat ngeusian
bulan Safar ku amal-amalan.
Hayu urang ngahontal kamulyaan
bulan Safar ku amal hadé bari teu
petot-petot ngadunga sangkan
ditebihkeun tina sagala bahla bari
yakin jeung munajat ka Alloh swt.
Aamiin.***
Nu nulis téréh pangsiun
ti SMAN 3 Kota Sukabumi
27