SlideShare a Scribd company logo
1 of 8
1. LELAKI BUAYA DARAT
2. ADUH BUYUNG
3. ANDAIKAN KAU DATANG
4. HATIKU HATIMU
5. KISAH SEORANG PRAMURIA
6. KISAH KASIH DI SEKOLAH
7. MALAM TERAKHIR
8. JANGAN BIARKAN
SANGKURIANG
I. BUBUKA (PUPUH)
II. DAYANG SUMBI DIGODA (LELAKI BUAYA DARAT)
III. SI TUMANG MEMBELA DAYANG SUMBI (KISAH SEORANG
PRAMURIA)
IV. DAYANG SUMBI DIUSIR.(JANGAN BIARKAN)
V. DAYANG SUMBI DAN SI TUMANG, (KEPOMPONG)
VI. SANGKURIANG MEMBUNUH SI TUMANG, SANGKURIANG DIUSIR
(HARIRING KURING).
VII. DAYANG SUMBI DAN SANGKURIANG(HATIMU DAN HATIKU)
VIII. PENYESALAN SANGKURIANG KARNA GAGAL MEMBANGUN
TELAGA (ANDAIKAN KAU DATANG).
IX. PUPUH SANGKURIANG.
I. BUBUKA (PUPUH)
Dayang Sumbi masuk, duduk , menenun kain.
SINOM SANGKURIANG.
Balebat geger manglayang.
Ngadalis nyilih janari
Sepa bentang laas bulan
Ngimpi pabeulit jeung nyaring.
Teu tepi nu kapiati.
Dikukuruk putri diuk
Barina nojer tunjangan
Dayang Sumbi ngusap lusi
Sangkuriang kakasih nu kasamaran
Wayahna gunung tangkuban.
Parahu nyanding ngadingding
Jadi girang panyawangan
Kentring manik tingkaretip
Saru sarua jeung langit
Arum-arum bentang Bandung
Di taman Parahiangan
Angin seungit lebah lamping.
Lar nyambuang kaambung rasa sorangan.
II. DAYANG SUMBI DIGODA (LELAKI BUAYA DARAT)
Datang seorang lelaki cunihin... gumasep.
BD : Euleuh-euleuh mani enak pisan geuning suara nyai teh, akang jadi
tergoda...kairut..kapincut ku nyai.
DS : Hai siapa kamu teh? Tiba tiba main selonooong aja, tidak sopan!
Tidak punya tetekon ! apa maksud dan tujuan ki silah datang kemari?
BD : Aduh aduh si geulis teh mani galak pisan nya! Atuh nyai stmua juga
tahu, kalau semua lelaki jaman sekarang mah suka tergoda oleh
kecantikan seorang perempuan.
DS : Hai asal kamu tahu yah, saya ini bukan perempuan jaman sekarang,
bukan perempuan yang tidak punya harga diri. ....pergi jangan ganggu
saya.
BD : (nyosor, ingin memeluk dayang sumbi) sini sayang akang cinta kamu,
akang sayang kamu...(pergi)... he he he sini sayang...(tidak, pergi/
kejar-kejaran, tarik menarik)
(Tiba-tiba ada suara auman anjing, si tumang datang, terjadi
pergulatan, si tumang kalah, kembali mengejar , kain kemben tertarik,
keluar... dikejar..... terdengar jeritan .. dari jauh).
KELOMPOK VOKAL GROUP MENYANYIKAN LAGU ”BUAYA
DARAT”.
(DAYANG SUMBI MASUK DENGAN PAKAIAN AWUT2AN,
PUPUH MASKUMAMBANG)
MASKUMAMBANG
III. SI TUMANG DATANG...MENGAUM... BERUBAH WUJUD JADI
SEORANG JEJAKA... MENYANYIKAN SEBUAH LAGU (KISAH
SEORANG PRAMURIA)
DATANG BAPAKNYA......
BP : Dayang Sumbi anaku, dihin pinasti sanghiyang widi, kehendak sang
maha dewata, ananda harus meninggalkan istana, mensucikan diri di
hutan larangan, ananda harus tabah menerima semua cobaan ini,
pergi...pergilah ananda... . Hai Tumang, titah dariku kepadamu..
temanilah juraganmu pergi ke hutan larangan... jaga dan layani dengan
baik juraganmu itu. ......(aaaaauuuuuummmmm, keluar bersama
Dayang Sumbi).
LAGU AYAH/ KOES PLUS.
IV. DAYANG SUMBI DAN SI TUMANG, (KEPOMPONG )
(Dayang Sumbi sedang menenun kain, sambil di temani oleh si Tumang)
DS : Tumang sahabatku, kamu teh mengerti pisan apa yang terjadi pada
saya, (aauumm), kamu teh harus memegang amanat ama, bahwa kamu
harus menemani saya,....mau kan kamu teh menemani saya? ?..
(auummm)..... di hutan belantara ini teh da ngga ada siapa-siapa lagi
selain kamu,... menjaga saya... dan berburu tiap hari untuk makanan
kita.... cari saja binatang – binatang yang dapat kita makan... seperti
kelinci... yah kalau ada mah mencek dan uncal, itupun kalau kamu
bisa. Mau kan Tumang?.....(aaauuuummmmm/
panjang.....LANGSUNG LAGU “KEPOMPONG”).
(DAYANG SUMBI SEDANG MENENUN, TIBA-TIBA KELOS
BENANGNYA JATUH..BINGUNG.... SUDAH SORE,
PEKERJAAN TANGGUNG.... SAKING BINGUNGNYA DIA
KELEPASAN BICARA)
DEMI DEWATA NU NGAGEUGEUH MAYAPADA....
PEKERJAANKU LAGI TANGGUNG... MANA HARI TEH SUDAH
SORE .... KEPADA SIAPAPUN YANG DAPAT MENOLONG
SAYA...MENGAMBILKAN KELOS BENANG... KALAU DIA
PEREMPUAN AKAN AKU JADIKAN SAUDARA.... DAN KALAU
DIA LAKI-LAKI, AKAN KUJADIKAN SUAMI.....
( DUUAAARRR...MUSIK MENYERUPAI HALILINTAR).......
(DATANG SI TUMANG MENGAMBILKAN KELOS BENANG...
DAYANG SUMBI TERKEJUT)
DS : Tumang jadi kamu yang mengambilkan kelos benangku ??
(aauuum)..... Duh Dewata... mengapa nasibku seperti ini....
apakah si Tumang harus saya jadikan suami.... apakah akau harus
kawin dengan seekor anjing.... atau saya teh harus mencabut
sumpahku???, (DUUAAARRR, halilintar)...
DEWATA... KURING MOAL REK INCAH BALILAHAN
KURING REK SATUHU KANA JANJI KURING
SOK SANAJAN SI TUMANG BUNGKEULEUK
NA NGAN SAUKUR SATO, ... TAPI MANEHNA
MIBOGA HATE ANU HADE, DIBANDING
JALMA NU HATENA MIRUPA SATO....
TUMANG SOBAT KURING.... TI MIMITI
AYEUNA ANJEUN JADI SALAKI KURING, 3X
(aauuummmm..... DHUAARRRR).
SOK SANAJAN HATE KURING RAJET....
KURING REK TAMAHA KANA SUPATA...
KURING REK SATIA.....
KURING REK SATUHU KA ANJEUN...
OMAT ANJEUN ULAH REK NINGGALKEUN
KURING.... ANU KEUR LARA BALANGSAK...
SANGSARA.... NGABANDANG RAGA.
(LAGU ”JANGAN BIARKAN” DIANA NASUTION / DUET)
DONGENG :
Jam ganti poe, poe ganti bulan, bulan kaganti ku taun. Dayang Sumbi jeung Si
Tumang hirup kumbuh ngambah sagara rumah tangga. Anu jucungna, nepi ka boga anak
anu dingaranan ” SANGKURIANG”
Sangkuriang teh budak anu calakan pisan, kawanina gede, sanajan masih
keneh budak, tapi tara aya kasieun najan ulin ka leuweung anu rembet ge. Aeh enya
kapan lahirna ge di leuweung nya.? Tah biasana lamun ulin na teh sok dibaturan ku si
Tumang. Sangkuriang mah teu apaleun yen si Tumang teh bapana. Upama poe maju ka
beurang sangkuriang sok sok moro kelenci ka leuweung, kalan-kalan sok meunang
cangehgar atawa puyuh. Dagingna sok di pasak, terus di dalahar ku tiluan. Beuki gede,
beuki gede Sangkuriang teh pangabisa morona beuki nambahan, bubuhan kalatih unggal
poe. Pakarangna sok make panah, dina mentangkeun jamparingna teh arang mencog.
Awakna beuki seseg, gandang jeung sembada, bubuhan tuman gawe beurat, kayaning
ngala suluh, ngala cai, nepi ka nyieun saung piimaheun, atuh imahna teh ayeuna mah
rada sugema, bisa dipake penyalindungan tina hujan, panas jeung pancabaya sejenna.
Dina hiji mangsa indungna nitah moro ka sangkuriang, anu keur anteng
nyieun jamparing tina awi.
DS : Sujang... geuning dahareun teh geus rek beak, geura moro deui kaituh, sugan
beubeunangan.
SKR: Ah keur teu parurun ma! Isukan we.
DS : Har ari maneh sujang, ari isukan urang rek dahar naon? Jig-jig geura moro
kadituh, ajakan tah ba..... aeh si Tumang!
Sangkuriang teu wani nambalang deui, tuluy indit moro, di baturan ku si Tumang
anu teu apaleun yen eta teh bapana.
Panon poe geus lingsir ngulon, tapi Sangkuriang can manggihan sato boroeun
sasiki-siki acan, awak geus nahnay, jaba beuteung kukurubukan menta eusi, Sangkuriang
reureuh heula, diuk handapeun tangkal, bari ngalamun. Naha kamarana ari sasatoan teh
nya?. sapoe jeput kuring asruk-asrukan teu manggih saese ese acan.... aeh nya kudu
kumaha yeuh pilampaheun kuring, mangkaning dahareun di imah geus beak, tada teuing
indung aing hanjelueunana. ( leng .. Sangkuriang ngahuleng salila-lila, mikir
pilampaheun, mun balik teu beubeunangan aing era ku indung. Keur ngalamun kitu,
nyalisib harewos jahat kana dirina. HEY SANGKURIANG.. NA ARI ANJEUN BODO
TEH BET KATOTOLOYOH, IDER-IDERAN NEANGAN SATO, APAN GIGIREUN
MANEH GE SATO, PEUNCIT WE, TULUY SISIT, BAWA DAGINGNA KA
INDUNG MANEH, BEJAKEUN WE DAGING MENCEK KITUH... DA MOAL
APALEUN IEUH... SOK PEUNCIT WE TAH SI TUMANG...PEUNCIT WE TAH SI
TUMANG...)
Sangkuriang cengkat, tuluy gigisik, ret ka Si Tumang nu keur nyangkere di gigireunana.
Heueuh na aing teh bodo-bodo teuing, Si Tumang we ku aing rek di recah, bebeja ka
indung daging mencek, meureun indung aing kacida atohaeunana. Sangkuriang cengkat
ngadeukeutan Si Tumang, tap leungeunna kana bedog nu ngagaplek dina cangkengna...
lakadalah....... gep si Tumang dicerek, diheumpit disinekelkeun dina akar, geresel-geresel
dipeuncit lebah beuheungna, cer getih mancer maseuhan awakna, kerejet-kerejet si
Tumang sakarat... kulapes... si Tumeng tandasa ku leungeun anakna sorangan.
PUPUH MASKUMABANG
Sangkuriang jeung si Tumang sobat dalit.
Osok babarengan
Henteu beurang henteu peuting
Duanana nyobat dalit.
Tapi sanggeus poe rek maju ka burit
Acan beubeunangan
Sato boroeun ngaleungit
Sangkuriang luluasan
Sato anu sok bumela teh dipeuncit.
Diala dagingna
Si Tumang nemahan pati
Ku Sangkuriang anakna.
Sangkuriang nu bangun keur poek pikir
Mulang ka imahna
Dipapag ku Dayang Sumbi
Nu geus ngadagoan lila.
Dayang Sumbi bungaheun pisan mireungeuh anakna datang bari mawa tiiran daging anu
sakitu beureumna bangun pungkil pisan. ” euleuh-euleuh Sujang bagja pisan, pasti
mencekna lintuh ... yap kadieu bawa urang asakan, meureun maneh ge geus lapar,
Leos Dayang Sumbi ka dapur rek ngasakan daging Si Tumang anu padahal mah daging
anu jadi salakina. Sanggeus asak tuluy di dahar ku Dayang Sumbi bangun ni’mat pisan.
Keur kitu leng Dayang Sumbi inget ka salakina Si Tumang. ” Sujang kop kadinyah geura
dahar, ari si Tumang kamana?? Sangkuriang teu ngajawab, manehna kalah ngadon
ngahuleng deukeut jandela, neuteup layung nu hibar koneng di belah kulon, marengan
surupna panon poe.
” Ari Si Tumang kamana ? ” Dayang Sumbi sanggeus beres dahar nanya deui ka anakna,
rada bedas. Sangkuriang teu nembalan kalah ngeluk tungkul bari reumbay ku cimata.
” Ari Si Tumang Kamana?” Sangkuriang tanggah neuteup alum ka indungna.
”Apan eta nu di dahar ku Ambu teh daging Si Tumang” tembal Sangkuriang bari
ngadegdeg.
Dayang Sumbi cengkat, tuluy neuteup seukeut ka Sangkuriang. Awakna ngagidir nahan
piambekeun. ” Jadi nu tadi dibawa teh daging si Tumang’? Sangkuriang unggeuk
lalaunan. Teu antaparah Dayang Sumbi ngajewang sinduk tina meja. Kerewek kana buuk
Sangkuriang, gampleng-gampleng sirah Sangkuriang diteunggeulan ku sinduk nepi ka
baloboran getih. Sangkuriang ...! teu sangka anjeun ngabogaan hate durjana.Teu nyangka
kuring boga anak siga kitu, wani nelasan nu jadi.... ....??? indit siah-indit . indit aing teu
hayang nempo beungeut maneh didieu, ayeuna keneh ....indit!!!!.
Sangkuriang cengkat lalaunan, neuteup ka indungna nu ngembeng ku cimata. Tuluy indit
bari ngeluk tungkul.
SANGKURIANG DIUSIR ( dipirig ku kacapi suling).
Sangkuriang...
Langit peteng mayungan nu keur lumakon.
Dina rerembetna wanci; dina aworna sora anu ngageuri.
Lengkah Sangkuriang; lengkah nu ilang jugjugan.
Leuweung rembet dina panon.
Peuting simpe keur kalakon.
Dimana peuting hujungna?
Dimana leuweung tungtungna?
Taya jawab , ukur seah angin.
Ukur sora-sora na demitna sepi jempling.
Tatu na sirah n uterus ngeclakeun getih.
Teu leuwih perih tibatan ati nu sedih.
Jeung indung kudu papisah.
Biheung pareng deui panggih.
Tumang hampura kuring teh bet kalepasan.
Lain pedah ngewa kuring nelasan anjeun tepi ka patina.
Tapi banget bingung nya naon nu kudu dibawa mulang.
Sato boroeun ngadadak ilang di pamoroan.
Kuring ukur hayang melaan nu jadi indung.
Nu ngagedekeun kuring di leuweung, tur ngan sorangan.
Kuring embung nguciwakeun indung
Mulang lengoh teu babawaan.
DAYANG SUMBI HIRUP NUNGGELIS ( Wanoja)
Dayang Sumbi nu geus leler amarahna.
Sangkuriang dicalukan ti saungna Tapi nu mulang ukur sorana sorangan.
Nu ngaweuhan ti jero leuweung nu geledegan.
Si Tumang geus puguh ilang.
Cikeneh anakna dititah miang.
Manehna nunggelis sorangan.
Di tengan leuweung taya geusan pamuntangan.
Rus-ras dina pikir Dayang Sumbi
Lalakon hirupna nu di guratkeun ku Hyang widi.
Manehna nu geus taya batur pakumaha.
Bet teu bisa majar kumaha.
Dayang Sumbi nyorang hirup ka asalna.
Beurang peuting nyieuhkeun ringrang na batin.
Temen wekel dipageuhkeun dina dada.
Ngalakonan na gurat hirup-huripna.
LAGU : ” HARIRING KURING”
SANGKURIANG NGALALANA.
Sangkuriang nu diaping sepi jempling.
Geus nyorang saratus leuweung.
Mapay pasir jeung tegalan.
Ngaraas mangratus walungan.
Di saban tempat dimana kapanggih reureuh.
Manehna tatapa, jiwa raga ni dipeuseuh.
Nyorangan ngaraga meneng, museurkeun sukma jeung batin.
Beurang jeung peuting Sangkuriang ngolah rasa.
Ngadalitkeun raga badag jeung alam nu manca warna.
Sidakep di keukeup areuy. Disimbutan ku halimun.
Ditilaman kalakay sarebu usum.
Nyorang caang lebah petengna mongkleng.
Manggih mongkleng lebah kingkilab caang.
Momongkleng nu kacaangan. Nyingray peuray na tangtungan.
Pancadria nu manjing kasampurnaan.
Ditangtang juringkang demit.
Sangkuriang matek ajining sukma bawaan.
Jin siluman teu lila jadi babandan.
SANGKURIANG........
NYA AING NU NGARAN SANGKURIANG.
LAGU SUNDA JAYA
ADEGAN KA –
PROLOG :
Sangkuriang awakna lingsig, ngajirim hiji pamuda anu gagah gandang tur
ngamenak. Manehna laju indit ngalalana. Duka geus sabaraha lembur
kaanjangan, teuing sabaraha padepokan anu ku manehna geus kajajal.
Antukna jog anjog ka hiji leuweung gerotan. Sabot leumpang hawar-hawar
kadenge sora nu ninun. Manehna ngarandeg, neges-neges kana eta sora.
Moal enya di tengah leuweung kieu aya jalma anu keur ninun.
( Sangkuriang ngembang kadu, tuluy gigisik jeung ngagideug gideug sirahna, 2x. )
SKR : Sidik eta teh jalma, ..geulis, geulis pisan, tapi naha aya di tengah leuweung,...
moal kitu dedemit mah? Ah ... jeun teuing rek jurig rek dedemit kuring teu
sieun, ku kuring rek disampeurkeun.
Sampurasun..! (rampes).... hampura nyai.. mun teu kabeuratan kuring rek
nanya... ari anjeun teh saha? Ti golongan jalma, atawa widadari, bet cicing
sorangan di tengah leuweung.
DS : Aeh haturan jajaka gandang... saha, nu timana, jeung rek kamana ? make
nyangka ka kuring widadari ? asa teu payus kana kaayaan kuring.
SKR : Oh lamun kitu mah nyai teh jalma, tapi naha bet aya di leuweung sorangan,
DS : panjang lalakon kuring mah, ngan kuring asa teu wasa lamun kudu
ngalalakon. Asalna mah kuring teh tiluan.. ngan hanjakal nu duaan geus
arindit ninggalkeun kuring, nya antukna kuring hirup nunggelis nyorangan.
SKR : leuh hawatos teuing atuh nyai...( ngomong sorangan : dasar milik kuring, keur
hanaang rasa asmara, sepi rasa kaasih, bet manggih awewe geulis, nyorangan
di tengah leuweung.... ah ku kuring rek dibaturan.. sugan manehna daekeun).
DS : euleuh2 naha bet kalah nyarita sorangan... naha naon nu diemutan ku
engkang?
SKR : ah teu pisan2 nyai, kieu engkang teh mikir, dumeh sarua engkang ge hirup
nyorangan, ngalalana nuturkeun indung suku, teu puguh padumukan.. teu
boga pamidangan, lamun nyai keresa... akang seja maturan nyai...bebela silih
titipkeun diri, naha nyai teu kaabotan?
DS : Euleuh-euleuh ari akang, bet sapertos nu karanjingan... teu ngemut keur
kapayunna, kumaha upami hanjelu anu katimu, hanjakal nu karandapan,
kapan urang teh nembe pependak, ari keur sim kuring mah dulang tinande
,bungah nu aya.. disarengan ku jajaka gandang sapertos akang..mangga teh
teuing akang ari keresa mah.
( LAGU : MAWAR BODAS)
DS : (bari nyiaran Sangkuriang) Akang.... ! ( hemmm)... asa teu karaos urang hirup
sasarengan.( ari kitu?) . muhun nyai teh asa bingah kacida di rencangan ku
engkang, naha ari engkang teu hanjakal?
SKR : Naha make nyebat kitu nyai, akang teu pisan-pisan ngarasa hanjakal, malah
engkang boga maksud hayang kawin ka nyai... naha nyai keresa?
DS : (ngarenjag bari malikeun beungeut Sangkuriang, pateuteup-teuteup). Kawin! ..
kawin? Naha leres eta teh kang ?
SKR : Enya..! naha siga nu teu percaya ka akang!Geus buleud... buleud, akang rek
ngawin nyai, akang hayang kawin ka nyai.
( LAGU HAYANG KAWIN, Sapotong)
SKR : Kumaha nyai keresa?
DS : ke heula kang, teu kenging waka gurung gusuh bisi hanjakal di akhir... jeung
deui naha ieu hate bet asa seseblakan, asa beda ti sasari.... na aya naon nya?....
jeung ke..ke.. ari ieu aya tatu na sirah kunaon?
SKR : tapak dibabuk ku sinduk basa keur budak.
DS : Ku saha.. ???
SKR : Ku indung. Indung mabuk sirah kuring lantaran hiji kajadian nu teu
pikahartieun, pilakadar kuring maehan anjingna,.. manehna ambek pisan, tepi
ka kuring di siksa ku sinduk, malah nepi ka ngusir ka kuring.
DS : Naon... (ngarenjag bari malikeun beungeut Sangkuriang, pateuteup-teuteup).
Jadi anjeun teh Sangkuriang??
SKR : Enya..! Ari anjeun Saha??
DS : Ieu indung anjeun Sangkuriang... Ambu Dayang Sumbi.. sababaraha poe ieu
urang geus kasamaran.. sugan teh anjeun lain anak kuring... Sangkuriang.
SKR : teu percaya.. kuring teu percaya.. anjeun ulah rek loba alesan nu teu kaharti ku
akal .. make ngaku-ngaku anjeun indung kuring sagala .. dina aya keneh
dikieuna indung kuring tangtu geus kolot, malah boa geus tilar dunya.
DS : Duh jalu anaking Sangkuriang,... sing percaya ka Ambu, ambu teh indung
anjeun Dayang Sumbi, hidep teh Sangkuriang nu geus wani-wani nelasan
bapa anjeun sorangan Si Tumang. Omat anjeun ulah kapoekan.
SKR : Teu percaya.. kuring teu percaya. Anjeun lain indung kuring, masing kalah
kumaha oge anjeun kudu daek kawin ka kuring... yeuh tengetkeun .. moal aya
sing saha bae oge anu bisa ngahalangan kana kahayang kuring... anjeun tetep
kudu kawin ka kuring.. anjeun kudu jadi pamajikan ka kuring.
DS : Emh ..anaking, ulah kitu.. duh gusti naha bet lalakon hirup kuring teh bet siga
kieu, baheula kuring kudu kawin jeung si Tumang, ayeuna ... ayeuna kuring
kudu kawin jeung anak sorangan... duh Gusti...! Teu bisa... kuring teu
meunang kawin jeung anak sorangan.. jeung beubeulahan raga sorangan...
aing kudu neangan akal... ( leng mikir... tuluy cengkat... nunjuk ka Dayang
Sumbi bari nyarita).. Yeuh Sangkuriang... hade .. kuring daek kawin ka anjeun
ngan aya saratna. ( Naon saratna)... anjeun kudu pangnyieunkeun heula hiji
talaga keur urang bulan madu.. ngan omat eta talaga teh kudu anggeus dina
jero sapeuting... mun teu anggeus .. hartina urang gagal laki rabi.
SKR : hade ... kuring satuju kana eta sarat, dagoan kuring rek ngabendung walungan,
kade ulah rek jalir kana jangji. Hai dulur-dulur, dedemit pangeusi pasir..
bantuan kuring rek nyieun talaga.. pikeun mas kawin keur Dayang Sumbi...
prung dulur-dulur ( kaluar.. Dayang Sumbi nyuuh ceurik)
PUPUH KINANTI
( LAGU ” CINTA TERLARANG”)
DAYANG SUMBI
V. DAYANG SUMBI DAN SANGKURIANG(HATIMU DAN HATIKU)
VI. PENYESALAN SANGKURIANG KARNA GAGAL MEMBANGUN
TELAGA (ANDAIKAN KAU DATANG).
VII. PUPUH SANGKURIANG.
I. DAYANG SUMBI DUDUK MENENUN KAIN.

More Related Content

Similar to Kisah Sangkuriang

Hakikat manusia (materi 2)
Hakikat manusia (materi 2)Hakikat manusia (materi 2)
Hakikat manusia (materi 2)Ridwan Sehat
 
Contoh Naskah Drama 20 Pemain
Contoh Naskah Drama 20 PemainContoh Naskah Drama 20 Pemain
Contoh Naskah Drama 20 PemainVicall Andryantho
 
Contoh naskah-drama-20-orang-pemain
Contoh naskah-drama-20-orang-pemainContoh naskah-drama-20-orang-pemain
Contoh naskah-drama-20-orang-pemainDesii Belawati
 
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAANTEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAANShafiqa Fatin
 
naskah drama bahasa bali Timun mas
naskah drama bahasa bali Timun masnaskah drama bahasa bali Timun mas
naskah drama bahasa bali Timun maselin99999
 

Similar to Kisah Sangkuriang (10)

Motivasi syukur
Motivasi syukurMotivasi syukur
Motivasi syukur
 
Hakikat manusia (materi 2)
Hakikat manusia (materi 2)Hakikat manusia (materi 2)
Hakikat manusia (materi 2)
 
Contoh Naskah Drama 20 Pemain
Contoh Naskah Drama 20 PemainContoh Naskah Drama 20 Pemain
Contoh Naskah Drama 20 Pemain
 
Punguan rajaoloan
Punguan rajaoloanPunguan rajaoloan
Punguan rajaoloan
 
Drama titas
Drama titasDrama titas
Drama titas
 
Contoh naskah-drama-20-orang-pemain
Contoh naskah-drama-20-orang-pemainContoh naskah-drama-20-orang-pemain
Contoh naskah-drama-20-orang-pemain
 
Bnn aisyah
Bnn aisyahBnn aisyah
Bnn aisyah
 
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAANTEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
 
naskah drama bahasa bali Timun mas
naskah drama bahasa bali Timun masnaskah drama bahasa bali Timun mas
naskah drama bahasa bali Timun mas
 
Timun mas
Timun masTimun mas
Timun mas
 

Kisah Sangkuriang

  • 1. 1. LELAKI BUAYA DARAT 2. ADUH BUYUNG 3. ANDAIKAN KAU DATANG 4. HATIKU HATIMU 5. KISAH SEORANG PRAMURIA 6. KISAH KASIH DI SEKOLAH 7. MALAM TERAKHIR 8. JANGAN BIARKAN SANGKURIANG I. BUBUKA (PUPUH) II. DAYANG SUMBI DIGODA (LELAKI BUAYA DARAT) III. SI TUMANG MEMBELA DAYANG SUMBI (KISAH SEORANG PRAMURIA) IV. DAYANG SUMBI DIUSIR.(JANGAN BIARKAN) V. DAYANG SUMBI DAN SI TUMANG, (KEPOMPONG) VI. SANGKURIANG MEMBUNUH SI TUMANG, SANGKURIANG DIUSIR (HARIRING KURING). VII. DAYANG SUMBI DAN SANGKURIANG(HATIMU DAN HATIKU) VIII. PENYESALAN SANGKURIANG KARNA GAGAL MEMBANGUN TELAGA (ANDAIKAN KAU DATANG). IX. PUPUH SANGKURIANG. I. BUBUKA (PUPUH) Dayang Sumbi masuk, duduk , menenun kain. SINOM SANGKURIANG. Balebat geger manglayang. Ngadalis nyilih janari Sepa bentang laas bulan Ngimpi pabeulit jeung nyaring. Teu tepi nu kapiati. Dikukuruk putri diuk Barina nojer tunjangan Dayang Sumbi ngusap lusi Sangkuriang kakasih nu kasamaran Wayahna gunung tangkuban. Parahu nyanding ngadingding Jadi girang panyawangan Kentring manik tingkaretip Saru sarua jeung langit Arum-arum bentang Bandung Di taman Parahiangan Angin seungit lebah lamping. Lar nyambuang kaambung rasa sorangan. II. DAYANG SUMBI DIGODA (LELAKI BUAYA DARAT) Datang seorang lelaki cunihin... gumasep. BD : Euleuh-euleuh mani enak pisan geuning suara nyai teh, akang jadi tergoda...kairut..kapincut ku nyai. DS : Hai siapa kamu teh? Tiba tiba main selonooong aja, tidak sopan! Tidak punya tetekon ! apa maksud dan tujuan ki silah datang kemari? BD : Aduh aduh si geulis teh mani galak pisan nya! Atuh nyai stmua juga tahu, kalau semua lelaki jaman sekarang mah suka tergoda oleh kecantikan seorang perempuan.
  • 2. DS : Hai asal kamu tahu yah, saya ini bukan perempuan jaman sekarang, bukan perempuan yang tidak punya harga diri. ....pergi jangan ganggu saya. BD : (nyosor, ingin memeluk dayang sumbi) sini sayang akang cinta kamu, akang sayang kamu...(pergi)... he he he sini sayang...(tidak, pergi/ kejar-kejaran, tarik menarik) (Tiba-tiba ada suara auman anjing, si tumang datang, terjadi pergulatan, si tumang kalah, kembali mengejar , kain kemben tertarik, keluar... dikejar..... terdengar jeritan .. dari jauh). KELOMPOK VOKAL GROUP MENYANYIKAN LAGU ”BUAYA DARAT”. (DAYANG SUMBI MASUK DENGAN PAKAIAN AWUT2AN, PUPUH MASKUMAMBANG) MASKUMAMBANG III. SI TUMANG DATANG...MENGAUM... BERUBAH WUJUD JADI SEORANG JEJAKA... MENYANYIKAN SEBUAH LAGU (KISAH SEORANG PRAMURIA) DATANG BAPAKNYA...... BP : Dayang Sumbi anaku, dihin pinasti sanghiyang widi, kehendak sang maha dewata, ananda harus meninggalkan istana, mensucikan diri di hutan larangan, ananda harus tabah menerima semua cobaan ini, pergi...pergilah ananda... . Hai Tumang, titah dariku kepadamu.. temanilah juraganmu pergi ke hutan larangan... jaga dan layani dengan baik juraganmu itu. ......(aaaaauuuuuummmmm, keluar bersama Dayang Sumbi). LAGU AYAH/ KOES PLUS. IV. DAYANG SUMBI DAN SI TUMANG, (KEPOMPONG ) (Dayang Sumbi sedang menenun kain, sambil di temani oleh si Tumang) DS : Tumang sahabatku, kamu teh mengerti pisan apa yang terjadi pada saya, (aauumm), kamu teh harus memegang amanat ama, bahwa kamu harus menemani saya,....mau kan kamu teh menemani saya? ?.. (auummm)..... di hutan belantara ini teh da ngga ada siapa-siapa lagi selain kamu,... menjaga saya... dan berburu tiap hari untuk makanan kita.... cari saja binatang – binatang yang dapat kita makan... seperti kelinci... yah kalau ada mah mencek dan uncal, itupun kalau kamu bisa. Mau kan Tumang?.....(aaauuuummmmm/ panjang.....LANGSUNG LAGU “KEPOMPONG”). (DAYANG SUMBI SEDANG MENENUN, TIBA-TIBA KELOS BENANGNYA JATUH..BINGUNG.... SUDAH SORE, PEKERJAAN TANGGUNG.... SAKING BINGUNGNYA DIA KELEPASAN BICARA) DEMI DEWATA NU NGAGEUGEUH MAYAPADA.... PEKERJAANKU LAGI TANGGUNG... MANA HARI TEH SUDAH SORE .... KEPADA SIAPAPUN YANG DAPAT MENOLONG SAYA...MENGAMBILKAN KELOS BENANG... KALAU DIA PEREMPUAN AKAN AKU JADIKAN SAUDARA.... DAN KALAU DIA LAKI-LAKI, AKAN KUJADIKAN SUAMI..... ( DUUAAARRR...MUSIK MENYERUPAI HALILINTAR)....... (DATANG SI TUMANG MENGAMBILKAN KELOS BENANG... DAYANG SUMBI TERKEJUT)
  • 3. DS : Tumang jadi kamu yang mengambilkan kelos benangku ?? (aauuum)..... Duh Dewata... mengapa nasibku seperti ini.... apakah si Tumang harus saya jadikan suami.... apakah akau harus kawin dengan seekor anjing.... atau saya teh harus mencabut sumpahku???, (DUUAAARRR, halilintar)... DEWATA... KURING MOAL REK INCAH BALILAHAN KURING REK SATUHU KANA JANJI KURING SOK SANAJAN SI TUMANG BUNGKEULEUK NA NGAN SAUKUR SATO, ... TAPI MANEHNA MIBOGA HATE ANU HADE, DIBANDING JALMA NU HATENA MIRUPA SATO.... TUMANG SOBAT KURING.... TI MIMITI AYEUNA ANJEUN JADI SALAKI KURING, 3X (aauuummmm..... DHUAARRRR). SOK SANAJAN HATE KURING RAJET.... KURING REK TAMAHA KANA SUPATA... KURING REK SATIA..... KURING REK SATUHU KA ANJEUN... OMAT ANJEUN ULAH REK NINGGALKEUN KURING.... ANU KEUR LARA BALANGSAK... SANGSARA.... NGABANDANG RAGA. (LAGU ”JANGAN BIARKAN” DIANA NASUTION / DUET) DONGENG : Jam ganti poe, poe ganti bulan, bulan kaganti ku taun. Dayang Sumbi jeung Si Tumang hirup kumbuh ngambah sagara rumah tangga. Anu jucungna, nepi ka boga anak anu dingaranan ” SANGKURIANG” Sangkuriang teh budak anu calakan pisan, kawanina gede, sanajan masih keneh budak, tapi tara aya kasieun najan ulin ka leuweung anu rembet ge. Aeh enya kapan lahirna ge di leuweung nya.? Tah biasana lamun ulin na teh sok dibaturan ku si Tumang. Sangkuriang mah teu apaleun yen si Tumang teh bapana. Upama poe maju ka beurang sangkuriang sok sok moro kelenci ka leuweung, kalan-kalan sok meunang cangehgar atawa puyuh. Dagingna sok di pasak, terus di dalahar ku tiluan. Beuki gede, beuki gede Sangkuriang teh pangabisa morona beuki nambahan, bubuhan kalatih unggal poe. Pakarangna sok make panah, dina mentangkeun jamparingna teh arang mencog. Awakna beuki seseg, gandang jeung sembada, bubuhan tuman gawe beurat, kayaning ngala suluh, ngala cai, nepi ka nyieun saung piimaheun, atuh imahna teh ayeuna mah rada sugema, bisa dipake penyalindungan tina hujan, panas jeung pancabaya sejenna. Dina hiji mangsa indungna nitah moro ka sangkuriang, anu keur anteng nyieun jamparing tina awi. DS : Sujang... geuning dahareun teh geus rek beak, geura moro deui kaituh, sugan beubeunangan. SKR: Ah keur teu parurun ma! Isukan we. DS : Har ari maneh sujang, ari isukan urang rek dahar naon? Jig-jig geura moro kadituh, ajakan tah ba..... aeh si Tumang! Sangkuriang teu wani nambalang deui, tuluy indit moro, di baturan ku si Tumang anu teu apaleun yen eta teh bapana. Panon poe geus lingsir ngulon, tapi Sangkuriang can manggihan sato boroeun sasiki-siki acan, awak geus nahnay, jaba beuteung kukurubukan menta eusi, Sangkuriang reureuh heula, diuk handapeun tangkal, bari ngalamun. Naha kamarana ari sasatoan teh nya?. sapoe jeput kuring asruk-asrukan teu manggih saese ese acan.... aeh nya kudu kumaha yeuh pilampaheun kuring, mangkaning dahareun di imah geus beak, tada teuing indung aing hanjelueunana. ( leng .. Sangkuriang ngahuleng salila-lila, mikir pilampaheun, mun balik teu beubeunangan aing era ku indung. Keur ngalamun kitu, nyalisib harewos jahat kana dirina. HEY SANGKURIANG.. NA ARI ANJEUN BODO TEH BET KATOTOLOYOH, IDER-IDERAN NEANGAN SATO, APAN GIGIREUN MANEH GE SATO, PEUNCIT WE, TULUY SISIT, BAWA DAGINGNA KA INDUNG MANEH, BEJAKEUN WE DAGING MENCEK KITUH... DA MOAL APALEUN IEUH... SOK PEUNCIT WE TAH SI TUMANG...PEUNCIT WE TAH SI TUMANG...)
  • 4. Sangkuriang cengkat, tuluy gigisik, ret ka Si Tumang nu keur nyangkere di gigireunana. Heueuh na aing teh bodo-bodo teuing, Si Tumang we ku aing rek di recah, bebeja ka indung daging mencek, meureun indung aing kacida atohaeunana. Sangkuriang cengkat ngadeukeutan Si Tumang, tap leungeunna kana bedog nu ngagaplek dina cangkengna... lakadalah....... gep si Tumang dicerek, diheumpit disinekelkeun dina akar, geresel-geresel dipeuncit lebah beuheungna, cer getih mancer maseuhan awakna, kerejet-kerejet si Tumang sakarat... kulapes... si Tumeng tandasa ku leungeun anakna sorangan. PUPUH MASKUMABANG Sangkuriang jeung si Tumang sobat dalit. Osok babarengan Henteu beurang henteu peuting Duanana nyobat dalit. Tapi sanggeus poe rek maju ka burit Acan beubeunangan Sato boroeun ngaleungit Sangkuriang luluasan Sato anu sok bumela teh dipeuncit. Diala dagingna Si Tumang nemahan pati Ku Sangkuriang anakna. Sangkuriang nu bangun keur poek pikir Mulang ka imahna Dipapag ku Dayang Sumbi Nu geus ngadagoan lila. Dayang Sumbi bungaheun pisan mireungeuh anakna datang bari mawa tiiran daging anu sakitu beureumna bangun pungkil pisan. ” euleuh-euleuh Sujang bagja pisan, pasti mencekna lintuh ... yap kadieu bawa urang asakan, meureun maneh ge geus lapar, Leos Dayang Sumbi ka dapur rek ngasakan daging Si Tumang anu padahal mah daging anu jadi salakina. Sanggeus asak tuluy di dahar ku Dayang Sumbi bangun ni’mat pisan. Keur kitu leng Dayang Sumbi inget ka salakina Si Tumang. ” Sujang kop kadinyah geura dahar, ari si Tumang kamana?? Sangkuriang teu ngajawab, manehna kalah ngadon ngahuleng deukeut jandela, neuteup layung nu hibar koneng di belah kulon, marengan surupna panon poe. ” Ari Si Tumang kamana ? ” Dayang Sumbi sanggeus beres dahar nanya deui ka anakna, rada bedas. Sangkuriang teu nembalan kalah ngeluk tungkul bari reumbay ku cimata. ” Ari Si Tumang Kamana?” Sangkuriang tanggah neuteup alum ka indungna. ”Apan eta nu di dahar ku Ambu teh daging Si Tumang” tembal Sangkuriang bari ngadegdeg. Dayang Sumbi cengkat, tuluy neuteup seukeut ka Sangkuriang. Awakna ngagidir nahan piambekeun. ” Jadi nu tadi dibawa teh daging si Tumang’? Sangkuriang unggeuk lalaunan. Teu antaparah Dayang Sumbi ngajewang sinduk tina meja. Kerewek kana buuk Sangkuriang, gampleng-gampleng sirah Sangkuriang diteunggeulan ku sinduk nepi ka baloboran getih. Sangkuriang ...! teu sangka anjeun ngabogaan hate durjana.Teu nyangka kuring boga anak siga kitu, wani nelasan nu jadi.... ....??? indit siah-indit . indit aing teu hayang nempo beungeut maneh didieu, ayeuna keneh ....indit!!!!. Sangkuriang cengkat lalaunan, neuteup ka indungna nu ngembeng ku cimata. Tuluy indit bari ngeluk tungkul. SANGKURIANG DIUSIR ( dipirig ku kacapi suling). Sangkuriang... Langit peteng mayungan nu keur lumakon. Dina rerembetna wanci; dina aworna sora anu ngageuri. Lengkah Sangkuriang; lengkah nu ilang jugjugan.
  • 5. Leuweung rembet dina panon. Peuting simpe keur kalakon. Dimana peuting hujungna? Dimana leuweung tungtungna? Taya jawab , ukur seah angin. Ukur sora-sora na demitna sepi jempling. Tatu na sirah n uterus ngeclakeun getih. Teu leuwih perih tibatan ati nu sedih. Jeung indung kudu papisah. Biheung pareng deui panggih. Tumang hampura kuring teh bet kalepasan. Lain pedah ngewa kuring nelasan anjeun tepi ka patina. Tapi banget bingung nya naon nu kudu dibawa mulang. Sato boroeun ngadadak ilang di pamoroan. Kuring ukur hayang melaan nu jadi indung. Nu ngagedekeun kuring di leuweung, tur ngan sorangan. Kuring embung nguciwakeun indung Mulang lengoh teu babawaan. DAYANG SUMBI HIRUP NUNGGELIS ( Wanoja) Dayang Sumbi nu geus leler amarahna. Sangkuriang dicalukan ti saungna Tapi nu mulang ukur sorana sorangan. Nu ngaweuhan ti jero leuweung nu geledegan. Si Tumang geus puguh ilang. Cikeneh anakna dititah miang. Manehna nunggelis sorangan. Di tengan leuweung taya geusan pamuntangan. Rus-ras dina pikir Dayang Sumbi Lalakon hirupna nu di guratkeun ku Hyang widi. Manehna nu geus taya batur pakumaha. Bet teu bisa majar kumaha. Dayang Sumbi nyorang hirup ka asalna. Beurang peuting nyieuhkeun ringrang na batin. Temen wekel dipageuhkeun dina dada. Ngalakonan na gurat hirup-huripna. LAGU : ” HARIRING KURING” SANGKURIANG NGALALANA. Sangkuriang nu diaping sepi jempling. Geus nyorang saratus leuweung. Mapay pasir jeung tegalan. Ngaraas mangratus walungan. Di saban tempat dimana kapanggih reureuh. Manehna tatapa, jiwa raga ni dipeuseuh. Nyorangan ngaraga meneng, museurkeun sukma jeung batin. Beurang jeung peuting Sangkuriang ngolah rasa. Ngadalitkeun raga badag jeung alam nu manca warna. Sidakep di keukeup areuy. Disimbutan ku halimun. Ditilaman kalakay sarebu usum. Nyorang caang lebah petengna mongkleng. Manggih mongkleng lebah kingkilab caang.
  • 6. Momongkleng nu kacaangan. Nyingray peuray na tangtungan. Pancadria nu manjing kasampurnaan. Ditangtang juringkang demit. Sangkuriang matek ajining sukma bawaan. Jin siluman teu lila jadi babandan. SANGKURIANG........ NYA AING NU NGARAN SANGKURIANG. LAGU SUNDA JAYA ADEGAN KA – PROLOG : Sangkuriang awakna lingsig, ngajirim hiji pamuda anu gagah gandang tur ngamenak. Manehna laju indit ngalalana. Duka geus sabaraha lembur kaanjangan, teuing sabaraha padepokan anu ku manehna geus kajajal. Antukna jog anjog ka hiji leuweung gerotan. Sabot leumpang hawar-hawar kadenge sora nu ninun. Manehna ngarandeg, neges-neges kana eta sora. Moal enya di tengah leuweung kieu aya jalma anu keur ninun. ( Sangkuriang ngembang kadu, tuluy gigisik jeung ngagideug gideug sirahna, 2x. ) SKR : Sidik eta teh jalma, ..geulis, geulis pisan, tapi naha aya di tengah leuweung,... moal kitu dedemit mah? Ah ... jeun teuing rek jurig rek dedemit kuring teu sieun, ku kuring rek disampeurkeun. Sampurasun..! (rampes).... hampura nyai.. mun teu kabeuratan kuring rek nanya... ari anjeun teh saha? Ti golongan jalma, atawa widadari, bet cicing sorangan di tengah leuweung. DS : Aeh haturan jajaka gandang... saha, nu timana, jeung rek kamana ? make nyangka ka kuring widadari ? asa teu payus kana kaayaan kuring. SKR : Oh lamun kitu mah nyai teh jalma, tapi naha bet aya di leuweung sorangan, DS : panjang lalakon kuring mah, ngan kuring asa teu wasa lamun kudu ngalalakon. Asalna mah kuring teh tiluan.. ngan hanjakal nu duaan geus arindit ninggalkeun kuring, nya antukna kuring hirup nunggelis nyorangan. SKR : leuh hawatos teuing atuh nyai...( ngomong sorangan : dasar milik kuring, keur hanaang rasa asmara, sepi rasa kaasih, bet manggih awewe geulis, nyorangan di tengah leuweung.... ah ku kuring rek dibaturan.. sugan manehna daekeun). DS : euleuh2 naha bet kalah nyarita sorangan... naha naon nu diemutan ku engkang? SKR : ah teu pisan2 nyai, kieu engkang teh mikir, dumeh sarua engkang ge hirup nyorangan, ngalalana nuturkeun indung suku, teu puguh padumukan.. teu boga pamidangan, lamun nyai keresa... akang seja maturan nyai...bebela silih titipkeun diri, naha nyai teu kaabotan? DS : Euleuh-euleuh ari akang, bet sapertos nu karanjingan... teu ngemut keur kapayunna, kumaha upami hanjelu anu katimu, hanjakal nu karandapan, kapan urang teh nembe pependak, ari keur sim kuring mah dulang tinande ,bungah nu aya.. disarengan ku jajaka gandang sapertos akang..mangga teh teuing akang ari keresa mah. ( LAGU : MAWAR BODAS) DS : (bari nyiaran Sangkuriang) Akang.... ! ( hemmm)... asa teu karaos urang hirup sasarengan.( ari kitu?) . muhun nyai teh asa bingah kacida di rencangan ku engkang, naha ari engkang teu hanjakal? SKR : Naha make nyebat kitu nyai, akang teu pisan-pisan ngarasa hanjakal, malah engkang boga maksud hayang kawin ka nyai... naha nyai keresa? DS : (ngarenjag bari malikeun beungeut Sangkuriang, pateuteup-teuteup). Kawin! .. kawin? Naha leres eta teh kang ? SKR : Enya..! naha siga nu teu percaya ka akang!Geus buleud... buleud, akang rek ngawin nyai, akang hayang kawin ka nyai. ( LAGU HAYANG KAWIN, Sapotong)
  • 7. SKR : Kumaha nyai keresa? DS : ke heula kang, teu kenging waka gurung gusuh bisi hanjakal di akhir... jeung deui naha ieu hate bet asa seseblakan, asa beda ti sasari.... na aya naon nya?.... jeung ke..ke.. ari ieu aya tatu na sirah kunaon? SKR : tapak dibabuk ku sinduk basa keur budak. DS : Ku saha.. ??? SKR : Ku indung. Indung mabuk sirah kuring lantaran hiji kajadian nu teu pikahartieun, pilakadar kuring maehan anjingna,.. manehna ambek pisan, tepi ka kuring di siksa ku sinduk, malah nepi ka ngusir ka kuring. DS : Naon... (ngarenjag bari malikeun beungeut Sangkuriang, pateuteup-teuteup). Jadi anjeun teh Sangkuriang?? SKR : Enya..! Ari anjeun Saha?? DS : Ieu indung anjeun Sangkuriang... Ambu Dayang Sumbi.. sababaraha poe ieu urang geus kasamaran.. sugan teh anjeun lain anak kuring... Sangkuriang. SKR : teu percaya.. kuring teu percaya.. anjeun ulah rek loba alesan nu teu kaharti ku akal .. make ngaku-ngaku anjeun indung kuring sagala .. dina aya keneh dikieuna indung kuring tangtu geus kolot, malah boa geus tilar dunya. DS : Duh jalu anaking Sangkuriang,... sing percaya ka Ambu, ambu teh indung anjeun Dayang Sumbi, hidep teh Sangkuriang nu geus wani-wani nelasan bapa anjeun sorangan Si Tumang. Omat anjeun ulah kapoekan. SKR : Teu percaya.. kuring teu percaya. Anjeun lain indung kuring, masing kalah kumaha oge anjeun kudu daek kawin ka kuring... yeuh tengetkeun .. moal aya sing saha bae oge anu bisa ngahalangan kana kahayang kuring... anjeun tetep kudu kawin ka kuring.. anjeun kudu jadi pamajikan ka kuring. DS : Emh ..anaking, ulah kitu.. duh gusti naha bet lalakon hirup kuring teh bet siga kieu, baheula kuring kudu kawin jeung si Tumang, ayeuna ... ayeuna kuring kudu kawin jeung anak sorangan... duh Gusti...! Teu bisa... kuring teu meunang kawin jeung anak sorangan.. jeung beubeulahan raga sorangan... aing kudu neangan akal... ( leng mikir... tuluy cengkat... nunjuk ka Dayang Sumbi bari nyarita).. Yeuh Sangkuriang... hade .. kuring daek kawin ka anjeun ngan aya saratna. ( Naon saratna)... anjeun kudu pangnyieunkeun heula hiji talaga keur urang bulan madu.. ngan omat eta talaga teh kudu anggeus dina jero sapeuting... mun teu anggeus .. hartina urang gagal laki rabi. SKR : hade ... kuring satuju kana eta sarat, dagoan kuring rek ngabendung walungan, kade ulah rek jalir kana jangji. Hai dulur-dulur, dedemit pangeusi pasir.. bantuan kuring rek nyieun talaga.. pikeun mas kawin keur Dayang Sumbi... prung dulur-dulur ( kaluar.. Dayang Sumbi nyuuh ceurik) PUPUH KINANTI ( LAGU ” CINTA TERLARANG”) DAYANG SUMBI
  • 8. V. DAYANG SUMBI DAN SANGKURIANG(HATIMU DAN HATIKU) VI. PENYESALAN SANGKURIANG KARNA GAGAL MEMBANGUN TELAGA (ANDAIKAN KAU DATANG). VII. PUPUH SANGKURIANG. I. DAYANG SUMBI DUDUK MENENUN KAIN.