Nama             : N. Novi
Kelas            : X (sepuluh)
Jurusan          : AP2 Muhammadiyah 1 Smd.
Conto Wawangsalan
   1.     Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok
   2.     Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodo
   3.     Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus
   4.     Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong
   5.     Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
   6.     Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
   7.     Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
   8.     Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara
   9.     Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
   10.    Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng
   11.    Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
   12.    Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
   13.    Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
   14.    Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
   15.    Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
   16.    Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
   17.    Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
   18.    Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
   19.    Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
   20.    Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
   21.    Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
   22.    Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta
   23.    Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma
   24.    Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji
   25.    Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
   26.    Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata
   27.    Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
   28.    Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
   29.    Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
   30.    Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
   31.    Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
   32.    Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
   33.    Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
   34.    Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
   35.    Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
   36.    Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
   37.    Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih
   38.    Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
   39.    Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga
   40.    Belut sisit saba darat, Kapiraray siang wengi. (Maksudna: oray)
   41.    Jukut jangkung pipir gunung, Hate abdi panas peurih. (Maksudna eurih)
Darmaraja, 13 Juli 2012
                                                                   VhiEn LoVe
                       sisindiran; wawangsalan, paparikan
   1. Sisindiran;
             Tatangga hajat nyunatan
             Sarerea milu suka
             Diajar ulah bengbatan
             Bisi kaduhung jagana
   2. Wawangsalan;
             Teu benang di hurang sawah
             Teu beunang di pikameumeut
             (wangsalna : simeut )
             teu beunang di supa dulang
             Teu beunang dibebenjokeun
             ( wangsalna : kejo )

              Teu beunang ditiwu leuweung
              Teu beunang dipika sono
              ( wangsalna : kaso )
   3.   Paparikan;
              Pucung tiwuakar bangban
              Amis mata di susukan
              Mun rek milu geuwat dangdan
              Cimata geura susutan
               ka kulah nyair kapiting
              Ngocok lobak bobodasna
              Ulah sok liar ti peuting
              Osok loba gogodana

              Kebon paré dicaian
              siwah niat jalir jangji = sawah
              Kembang bodas buah bunder
              ngaheruk nya pipikiran = jeruk
              Kendang gedé pakauman
              dagdigdug rasaning ati = bedug
              Kertas kabur kaanginankumalayang pipikiran = langlayangan

              Poé Saptu poé Kemis
              salasa ngala kalapa
              Saha itu muril kumis
              tetela bapa kepala sakola
              Cikur jangkung jahé konénglampuyang pamura beuteung
              Rarasaan jangkung konéng
              puguh mah bureuteu hideung

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

              Ka Sumedang rek ngadon ngelas
              resep muru numpak kuda
              Nu gandang asup ka kelas
              nu kasep guru Basa Sunda

                      - Team Kamayu -

Wawangsalan sunda

  • 1.
    Nama : N. Novi Kelas : X (sepuluh) Jurusan : AP2 Muhammadiyah 1 Smd. Conto Wawangsalan 1. Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok 2. Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodo 3. Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus 4. Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong 5. Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah 6. Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung 7. Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro 8. Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara 9. Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih 10. Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng 11. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos 12. Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug 13. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak 14. Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak 15. Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar 16. Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik 17. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi 18. Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung 19. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap 20. Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin 21. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray 22. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta 23. Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma 24. Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji 25. Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali 26. Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata 27. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah 28. Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali 29. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti 30. Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk 31. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis 32. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas 33. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké 34. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun 35. Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak 36. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja 37. Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih 38. Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay 39. Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga 40. Belut sisit saba darat, Kapiraray siang wengi. (Maksudna: oray) 41. Jukut jangkung pipir gunung, Hate abdi panas peurih. (Maksudna eurih)
  • 2.
    Darmaraja, 13 Juli2012 VhiEn LoVe sisindiran; wawangsalan, paparikan 1. Sisindiran; Tatangga hajat nyunatan Sarerea milu suka Diajar ulah bengbatan Bisi kaduhung jagana 2. Wawangsalan; Teu benang di hurang sawah Teu beunang di pikameumeut (wangsalna : simeut ) teu beunang di supa dulang Teu beunang dibebenjokeun ( wangsalna : kejo ) Teu beunang ditiwu leuweung Teu beunang dipika sono ( wangsalna : kaso ) 3. Paparikan; Pucung tiwuakar bangban Amis mata di susukan Mun rek milu geuwat dangdan Cimata geura susutan ka kulah nyair kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar ti peuting Osok loba gogodana Kebon paré dicaian siwah niat jalir jangji = sawah Kembang bodas buah bunder ngaheruk nya pipikiran = jeruk Kendang gedé pakauman dagdigdug rasaning ati = bedug Kertas kabur kaanginankumalayang pipikiran = langlayangan Poé Saptu poé Kemis salasa ngala kalapa Saha itu muril kumis tetela bapa kepala sakola Cikur jangkung jahé konénglampuyang pamura beuteung Rarasaan jangkung konéng puguh mah bureuteu hideung Nanggap wayang diheulakeun bodorna Cépot jeung Garéng Murid nu rajin ngapalkeun moal meunang peunteun goreng Ka Sumedang rek ngadon ngelas resep muru numpak kuda Nu gandang asup ka kelas nu kasep guru Basa Sunda - Team Kamayu -