2. 0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
R
emen kacatur, di urang téh loba nu palinter. Ka-
mampuhanana gé lain ukur diharegaan ku
bangsa sorangan, tapi deuih ku bangsa deu-
ngeun. Kapunjulanana, ogé rupa-rupa widang,
ekonomi, tatanén, téhnologi, jeung sajabana.
Bisa jadi, lobana nu pinunjul sacara pribadi mah
moal éléh ku bangsa deungeun, da padumuk nagri
urang téh kaasup di antara nu panglobana di ieu dunya.
Atuh wajar, upama di antara nu ratusan juta jiwa, ukur
néangan rerebuan nu pinunjul mah, moal kudu nguyang
ka batur.
Nu punjul, nu ahirna sukses dina kahirupanana, ogé
teu kurang-kurang. Mingkin dieu nu kaasup jugala gé
beuki nambahan. Tapi, sabagian warga séjénn, nu
ulukutek dina handapeun garis kamiskinan gé angger
pohara. Nilik ka dinya, kapunjulan-kapunjulan pribadi
téh, teu langsung bisa ngaronjatkeun karaharjaan
balaréa.
Sabagian warga nu geus mampuh nyumponan bubu-
tuh hirupna, tacan ngarérét’ warga sejenna nu merelu-
keun pitulung. Najan geus sarwa ‘cukup’ angger
mentingkeun pribadina. Memang, ukuran bubutuh
mah, taya watesan anu jinek. Najan, geus sarwa boga,
bisa jadi teu weléh ngarasa kurang. Pasipatan kitu, lain
ukur bakal mentingkeun diri pribadi, tapi deuih bakal
ngalanggar hak-hak pihak séjénna.
Nyumponan bubutuh pribadi atawa kulawarga nu
teu ngarérét ka sisi ka gigir, lir kuda tanpa kadali. Mang-
prung, ngudag-ngudag kabutuhna, sarta teu miduli
pihak séjén. Nu kawas kitu, ogé bakal ngarasa leuwih
aman mun taya pihak séjén nu ngahalang-halang
pakarepanana.
Ngungkulan jungkrang kaayaan saperti kitu, taya
deui harepan, lian ti ngandelkeun pamaréntah. Butuh
aturan atawa kawijakan nu gembleng nu ngawengku
kabutuh rahayat sakumna. Nya, dina saban lima taunan,
rahayat nganti ketak pamarentahan anyar nu mudah-
mudahan leuwih hadé batan mangsa nu kaliwat. ***
Nata Harepan Lima Taunan
LLawangSakéténg
3. LAPORAN
Ngundeur Sora ti Tatar Sunda
........................................................... 8
IMPLIK - IMPLIK
Ngahangkeutkeun Deui Samping
Poléng Majalaya
Mulangkeun Citra Kota Dolar
......................................................... 10
BANDUNG - BANDUNG
Perda Kapariwisataan Kota Bandung
Kudu Dirépisi
......................................................... 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Aweuhan ........................................... 41
Gedong Sate ...................................... 42
Katumbiri .......................................... 44
Bale Bandung .................................... 50
Mangle Rumaja .................................. 51
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
5
TAMU
Drs. Suhendra, M.Ed.;
Sunda Jaya, Kudu Daék Ngalumbara
Potret:Reisyan
Balik ti masigit ba’da Isya, Artasim
dipegat ku lalaki opatan nu maraké baju
saragam, lengkep jeung atributna. Teu
amit teu sing Artasim diringkus, leunge-
unna diborogod, diparékoskeun ka beu-
lah tukang. Tuluy diséréd ditaékkeun
kana mobil kurung nu ngajugrug di
dinya.
“Bapa…!” gorowok Rasid, anakna nu
kakara tujuh taun bari ngagabrug ka....
Kutan Kitu
JAGAT WANGWANGAN
( 17 - 40 )
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
4. 3Manglé 2467
KKacaTilu
Jagal
S
alasahiji film dokuménter anu
asup kana nominasi Oscar taun
ieu nyaéta "The Act of Killing".
Éta film anu disutradaraan ku Joshua
Ophenheimer téh geus lila jadi bukur
catur di urang. Judulna disalin kana
basa Indonésia, jadi "Jagal". Malah
naon anu dipidangkeun di dinya
kungsi jadi laporan khusus Majalah
TEMPO. Cenah réa anu teu panuju
kana eusina. Ceuk béja malah
Pamingpin Redaksi TEMPO (harita)
Wahyu Muryadi ngahaja diajak nga-
riung ku pangurus NU di Surabaya,
Jawa Timur. Nu jadi salasahiji alesan-
ana lantaran dina éta film loba nye-
but-nyebut Anshor.
Sakumaha lumrahna film
dokuménter, nu jadi runtuyan carita
dina "Jagal" gé cenah kajadian nu
sabenerna. Nyokona dina kajadian
sabada G30S/PKI téa. Apan nepi ka
ayeuna masih kénéh jadi polemik di
urang, sakumaha lobana anu jadi kor-
ban harita anu digolongkeun kana
PKI. Ari anu migawéna cenah
lolobana ti unsur ormas Islam,
babakuna Anshor.
Kudu mindeng nyebut cenah dina
nyaritakeu éta film téh. Lantaran naon
anu digambarkeunana masih kénéh
jadi bahan debat. Di urang gé cenah
geus sababaraha kali éta film dilalajo-
an, tapi di tempat husus. Anu lalajona
ogé henteu bisa saha baé. Babakuna
mah lantaran eusina anu matak
nimbulkeun debat, malah mungkin
jadi bahan papaséaan.
Naon anu jadi tujuan utamana
pangna Ophenheimer sabatur-batur
nepi ka ngahagalkeun nyieun éta film,
tacan kaungkab. Anu nembrak mah
karék kana alesan anu geus ilahar,
nyaéta urusan HAM téa. Anu
ngabayuanana aya sababaraha pihak,
cenah diantarana téh Inggris jeung
Denmark. Duka pamaréntahna, duka
saha, teu pati écés. Ngan anu pasti éta
film kungsi meunang penghargaan
dina acara anugerah film di Inggris
(bangsana Oscar di Hollywood). Ku
asupna kana nominasi Oscar taun ieu
gé geus katémbong kumaha
penghargaan batur kana film anu
ngagambarkeun riributan di urang
mangsa harita.
Meujeuhna lamun di dieu di-
tandeskeun yén éta film
ngadokumentasikeun tragedi (lamun
téa mah ka dinya loyogna) anu kaala-
man jeung dilakukeun ku bangsa
urang. Naon sababna, bet didokumén-
tasikeun jeung "didagangkeun" ku
deungeun-deungeun? Lantaran ceuk
batur mah éta kajadian téh bisa
"didagangkeun". Perkara hasilna
bakal jadi négatif ka bangsa urang, boa
mémang éta anu jadi tujuanana gé.
Anupastimahuranganutinggaleun.
Henteu nganggap penting kana urusan
anu kararitu. Tapi sabalikna, jadi pen-
ting sanggeus digarap jeung "didagang-
keun" ku bangsa deungeun. Sanggeus
ngarasa digogoréng ku batur, kakara
wéh urang ngarasa teu genah jeung teu
rumasa.
Dina peradaban jaman kiwari,
mangaruhan jeung ngarobah opini téh
geus dianggap salasahiji cara pikeun
nepikeun maksud, anu pasti bakal aya
pangaruhna babakuna pikahareu-
peunana. Moal samata-mata aya anu
daék ngabayuan nyieun film "Jagal"
(anu tangtuna ogé ongkosna henteu
murah) lamun euweuh tujuanana.
Ceplak pahangna mah, pasti aya anu
diarahna. Lain tina ladang ngajualan
jeung ngadagangkeun filmna (nu
lalajo di urang gé teu kudu mayar) tapi
tina jihad séjén.
Nepi ka ayeuna urang sasatna
ngantep naon-naon anu karandapan
ku bangsa urang, kaasup kajadian-ka-
jadian anu luar biasa bangsaning
G30S/PKI, disina jadi bahan
panalungtikan bangsa deungeun.
Leuwihna ti éta urang sok langsung
percaya, malah saharita muji, kana
anu geus dipigawé ku maranéhna.
Geus kitu téh, sigana keukeuh tara aya
karep pikeun ngayakeun panalung-
tikan anu leuwih gemet.
Naon baé alesanana, kabiasaan
saperti kitu téh henteu hadé lamun
terus diantepkeun. Urang kudu geus
kalawan daria naratas ngayakeun risét
anu jejem, leukeun jeung objéktif,
sakumaha ilaharna risét-risét anu
geus jadi kabiasaan di bangsa-bangsa
anu geus maju.
Cenah ayeuna pamaréntah geus
nyayagikeun anggaran pikeun risét.
Ulah nepi ka éta anggaran, anu
jumlahna lain saeutik, jadi mubah
lantaran risétna asal-asalan sakumaha
anu mindeng jadi kritik salila ieu.
Jajauheun ka urang bisa ngayakeun
risét di nagara batur, sakumaha nu
geus dilakukeun ku bangsa deungeun
ka bangsa urang, atuh ngarisét
kaayaan bangsana sorangan wé heula.
Hasilna kudu jadi rujukan bangsa
deungeun deuih. AM
5. Dihandap ieu kamandang
ti mitra facebook Majalah
Sunda Mangle. Dimuat sau-
jratna.
Medi Cidaun: Sampura-
sun wargi mangle,,, Sim kuring
ti ciparay. Naha di payunen
pasar herin kunu parkir 3/4
jalan di anggo parkir nyuhun
kn di leres ken.
Dadang Tengtong: leres
pisan pabaliut sareng amura-
sut, kedahna sateuacana pa-
marentah ngaluarken izin IMB
husus kanggo bangunan
komersial restoran, FO . toko2
kedah aya konsultan Andalin
(analisa dampak lalulintas) su-
pados teu pabaliut ulah mung
ninggal amplop atuh..hehe
wilujg enjg kang.
Gontom Kifli: Sampu-
rasun, saur pribados mah,
Bandung teh tos gaduh RTR-
Wna, mung masalahna dina
dilarapkeunana seueur dilang-
gar. Contona siga di Jalan
Buah batu, nu tikapungkur ge
kanggo "pemukiman" mung
gening mangga we tingali aye-
una, sagala aya, pertokoan,
bank, PKL, tempat hiburan
jste, matak hasilna macet, pa-
juriwet. Mangga ayeuna mah
kantun ka Pemkot, gaduh
kawani henteu kanggo nert-
ibkeun sadayana. Hatur
Nuhun_Gontom Kifli
Jayaperkasa Aldjabar :
Ari numutkeun sim kuringmah
henteu pabaliut,mung pabu-
rantak,da nu pabaliutmah nu
nuju nonton wayang golek,pa-
tumpang tindih siga nu nuju
ngariung bancakan.Eh eta ge
da para gegeden Bandung
namah ketah nuju resep pare-
but amplop hehehe.Simkuring
upami uih ka Bandung sok asa
linglung ku pang wangunan nu
jugjleg teh,jabaning Bandung
ayeunamah panas teu sapertos
jaman nuju alit,tiis jaba
asri,ayeunamah weueuhhhhh
runtah di mana2 nya bau nya
kotor,duh pangersa GUBER-
NUR cing pang ropea keun
ulah di antep komo di api
lainkeunmah hapunten ah sa
teu acanna sareng nyuhunkeun
di koreksi bilih aya seratan nu
lepat,sareng teumerenah
Rohandani : tata ruang
kota pajurawet tur pabaliut?
leres kitu pisan. cukang lan-
tarana nyaeta titinggal pro-
gram pamarentah sateuacana
ditambih murudulna program
walikota nu ayeuna. target
sangkan cumpon program
Bandung Juara: program
heubeul jeung nu ayeuna
dimenej sing eces sacerewe-
lena. diaping ku perda nu
lengkep, sdm cukup tur konsis-
ten_ulah endag ka anginan.
atuh nujadi warga ngiring
ngarojong sangkan
cumpon.cag
Edwin Basuki : Telat
upami tumarosna ayeuna.
Lantaran parantos janten wan-
gunan oge..tuh di Bandung
kaler, saha nu ngidinan leuwe-
ung dibukbak jadi villa,pe-
rumahan,apartment mewah?
saha nu ngidinan imah imah di
jl. Martadinata jd FO? Saha nu
ngidinan PVJ dibangun? Telat
pisan tumaros kitu ayeuna.!!!
Tri Supriati Wasiati:
Bandung identik sareng rupina
Ibu Kota Jawa Barat... Nyaeta
riweuh pisan... Teu puguh
rupina.. Padahal namina Ibu
Kota kedahna sae, beresih, ter-
tata... Mana atuh Paris in
Java... Mung aya dina carita
ayeuna mah...
Lalaki Ti Tegalpati: Ni-
tenan kota Bandung jaman ki-
wari leres pisan asa mernah
kana paribasa "Bandung
heurin ku tangtung" hal ieu
dibalukar-keun ku pasuliwerna
patalimarga nu beuki namba-
han, jeung wangunan-wangu-
nan nu milu mapaesan kota
Bandung. Numutkeun pana-
lungtikan simkuringmah
saenyana Tata Ruang Kota
Bandung mah tos mernah,
mung nu siga jadi pajurawet
teh nyaeta ku nambahan na
patali marga nu tuluy-tuluyan,
jeung padagang-padagang nu
clu-clo dimana karep, ari kitu
tea mah teu bisa ngabibisani da
keur nyumponan kaperluan
hirup manehna. Tah ku hal eta
kota Bandung siga teu mernah
Tata Ruang kotana. pon kitu
deui dina masalah kabersihan,
saenyana Kota Bandung
raresik geus bisa miara kaber-
sihanana. Ngan pedah
meureun ngarana kahirupan
jelema rea di kota siga nu teu
aya beresna runtah teu weleh
balatak dimana-mana, tapi
kuringge ningali kumaha
pakupisna Pemkot Bandung
migawe eta pagawean, terus
deui dina masalah wawangu-
nan Pemkot Bandung ngahu-
lag pisan nyieun wangunan nu
teu ngabogaan IMB, tah eta ge
hiji tarekah Pemkot Bandung
pikeun ngungkulan nerekabna
wangunan-wangunan dimana
karep, ngan duka teuing
kumaha ongkoh dicaram teu
meunang, tapi sok pirajeunan
noyod angger ngabangun wal-
lohualam etamah izin na make
bisa. Cindekna numutkeun
panalungtikan simkuring Tata
ruang kota Bandung geus mer-
nah dina nata namah, ngan
masih aya nu naroyod diantara
nu hayang nyicingan kota Ban-
dung bari ngadon usaha. Tah
ku teu tartibna eta nga-
balukarkeun kota Bandung
siga teu mernah dina nata
ruang kotana.... ***
Manglé 24674
Naha Leres Tata Ruang Kota Bandung
Pajurawet jeung Pabaliut?
KKoropak
Majalah Manglé
Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan
PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.
Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé
Jalan Lodaya No. 19 Bandung.
Telepon 022-7303438,
Hp. (Tuti) 0857 21307232
1.Tatarucingan
Rp. 15.000,-
2.Kabungbuleungan
Rp. 40.000,-
3.Cahaya Gumawang
dina Ati
6. 5Manglé 2467
TTamu
Drs. Suhendra, M.Ed.;
Sunda Jaya
Kudu Daék Ngalumbara
Budaya Sunda téh kudu
jaya. Carana? Henteu
waé ngaliwatan
kasenian tapi ogé
ngawanohkeun
kaaripan lokal Sunda
nu luhung. Kitu di
antara obrolan Manglé
jeung Drs. Suhendra,
M.Ed. nu kiwari keur
ngaréngsékeun gelar
doktor P.hD, di Curtin
University, Perth,
Australia.
***
U
mumna, upama promosi bu-
daya ka tiap mancanagara,
sok idéntik jeung ngarasa
cukup saukur ngawanohkeun
kasenian. Cara saperti kitu, kaasup
mromosikeun budaya Sunda, mé-
mang henteu salah. Ngan, lian ti
ngawanohkeun kasenian, sabenerna
aya nu leuwih penting deui, nyaéta
bisa ngawanohkeun konsep ka-
aripan lokal. “Saleresna, ngawanoh-
keun budaya Sunda, tiasa langkung
komprehensif upami disarengan ku
ngabahas aspek budaya nu sanésna,
sapertos masalah “kearifan lokal”
Sunda nu sakitu luhungna,” cek Drs.
Suhendra, M.Ed.
Kaaripan Sunda téh luhung.
Lantaran kitu, urang deungeun gé
arapaleun kana pasipatan urang
Sunda nu soméah, nu luhung budi-
na jeung jembar budayana. Ku kitu-
na, ku urang Sunda nu aya di Perth
Australia ogé, éta padika hirup téh
henteu saukur dina lalambé, tapi
tetep dilarapkeun dina kahirupan
sapopoé,. Margi kitu, cek ieu master
teureuh Sumedang lulusan Univer-
sity of Houston, Texas, USA téh,
ngarasa lebar upama kaaripan lokal
Sunda henteu diwanohkeun ka
mancanagara. “Payus pisan, upama
pamaréntah Jawa Barat gé,
mromosikeun Sunda “sapaket”
antawis kasenian sareng kaluhu-
ngan budaya Sunda. Katinggalna
Drs. Suhendra, M.Ed., keur ngaréngsékeun gelar doktor P.hD. di Australia
7. bakal langkung apdol tur epektip
ngajantenkeun budaya minangka
media panyangreud sakumna warga
dunya,” pokna jinek.
Ngamekarkeun budaya Sunda
tugas saréréa. Henteu waé nu aya di
lembur Sunda, tapi ogé urang Sunda
nu aya di mancanaraga. Lantaran
kitu, cek ieu ahli matematika nu
pernah meunang atikan di Gunma
University, Gunma jeung Okinawa
International Center, Okinawa
Japan téh, upama mung pamarén-
tah wungkul nu inisiatip, tangtos
hasilna moal maksimal. Kumaha
sangkan maksimal? palebah dieu,
cek Suhendra nu ogé mancén kon-
sultan Dinas Pendidikan Propinsi
Jawa Barat, hadéna pamarentah
bisa ngawalayakeun masarakat mi-
nangka “agén parobahan”, boh
sacara individu atanapi komunitas.
“Husus kanggo di luar nagri, tiasa
ngaberdayakeun para ‘diaspora’ nu
aya di sakuliah dunya,” pokna.
Nurutkeun catetan, sabenerna
aya rébuan urang Sunda nu dumuk
di luar nagri, boh nu masih WNI
atawa nu geus robah kawarganaran-
na. Tah, rébuan urang Sunda
saterusna mah bisa jadi ‘pangajak’
keur ngawanohkeun budaya Sunda.
“Para diaspora urang Sunda di luar
nagri poténsial pisan upami
diberdayakeun janten agén promosi
dina raraga ngamekarkeun Ki
Sunda,” pokna deui.
Ngaliwatan Atikan
Lunta jauh, najan ahirna kudu
bubuara mancén gawé atawa sakola
di nagri deungeun, teu jadi sual.
Lantaran, saha waé gé bisa milih
tempat geusan nyorang hirup jeung
huripna. Matak bungah deuih, lan-
taran, urang Sunda gé teu sing ku-
rung batok, da loba nu milih
bubuara nu saterusna mancén gawé
di tempat séjén téh, tetep katineung
ka sarakan sorangan mah moal leu-
ngit. Saperti di Ustrali, urang Sunda
loba nu tolab élmu. Upama nilik ka
dinya, tangtu payus pisan upama nu
keur nyiar élmu gé bisa ‘dimang-
paatkeun’ keur ngawanohkeun kul-
tur Sunda nu leuwih jembar.
Nurutkeun ieu pangarang buku-
buku ajar matematika keur TK, SD,
SMP, SMK, jeung paguron luhur
téh, sektor pendidikan memang bisa
dijadikeun cara séjén dina raraga
ngamekarkeun Kasundaan ka
mancanagara. Ngan deui-deui, cek
Suhendra, budaya Sunda kudu di-
wanohkeun nu leuwih jembar,
saperti nyawalakeun kaaripan lokal
Sunda, keur kapentingan hirup di
unggal nagara.
Kacindekan kitu, nurutkeun
dosen UPI, penting ditepikeun. Lan-
taran budaya silih ajénan, boh ka
sasama manusa boh nu patali jeung
hubungan antar nagara, sok
dimomorékeun. Disebut ajén-inajén
budaya penting ditepikeun, lan-
taran, waktu hubungan politik
Indonesia jeung Australia kurang
hadé, tapi widang kasenian jeung
budaya mah angger jalan terus.
“Hartosna, widang seni budaya tiasa
janten alat keur ngakurkeun papada
bangsa,” pokna.
Maheutkeun Duduluran
Kiwari mah geus ilahar upama
loba nu patukeur padumukan. Nu
asalna ti nagri deungeun teu jarang
nu milih tatar Indonesia kaasup
Jabar jadi tempat pamatuhanana.
Kitu deui urang Sunda, loba nu
milih bubuara nu saterusna mancén
gawé di nagri deungeun. Kaayaan
kitu, saperti kaalaman ku Drs.
Suhendra, M.Ed., nu ti taun 2011
kudu tolab élmu ngaréngsékeun
gelar doktor di Curtin University,
Perth, Australia. “Nu penting,
katineung ka sarakan sorangan mah
henteu hilap,” pokna.
Malahan cek Suhendra deui,
dumuk di nagri deungeun, haté mah
teu weléh tibelat ka bali geusan nga-
jadi. Banjar karang pamidangan,
angger dipicangcam. “Émutan mah
teu weléh ngalanglang lembur sora-
ngan,” cek ieu teureuh Sunda nu ki-
wari dumuk di 4/172 Gwenyfred
Road, Kensington, WA 6151, Aus-
tralia.
Waktu dumuk di pangumbara-
an, mémang remen ngararasakeun
butuhna dulur nu salembur téh. Nu
karasa ku Suhendra gé kitu. Tah,
keur pangabutuh éta, ieu paniten
atikan téh, sok nepungan wargi-
wargi ti sababaraha komunitas
Manglé 24676
TTamu
Sareng kulawarga
8. urang Sunda nu aya di Australia.
Saperti aya beungkeutan urang
Sunda Melbourne jeung di Perth.
Aya ogé kumpulan urang Sunda di
sababaraha wewengkon Australia
séjénna. “Husus di wilayah Australia
Barat, alhamdulillah awal taun 2013
ngadegkeun MSP (Mitra Sunda
Perth). Margi ieu wadah beuki
mekar tur sababaraha anggotana
aya nu ti di luar Perth, nya MSP ogé
digentos namina janten MSWA
(Mitra Sunda Western Australia),”
cek Suhendra gedé harepan.
Tina tepung di paguyuban,
saterusna mah silaturahmi jadi
manjang. Keur nepikeun kasono,
bisa ngaliwatan milis MSWA, nu ki-
wari anggota kurang leuwih aya
160an.
Keur Suhendra, bubuara di Aus-
tralia éstuning loba hikmahna. Lian
ti nambah élmu pangaweruh ogé
bisa nambahan duduluran di
paguyuban Sunda. Kituna téh, lan-
taran beungkeutan MSWA, dina tilu
bulan sakali mah, sok maneuh
ngayakeun silaturrahmi. Tah, dina
silaturrahim éta, biasana, anggota
sok bari marawa katuangan has
Sunda. “Aya sangu liwet, tutug
oncom, pisang goreng, bajigur, can-
dil, kolek cau, jeung sajabana,” cek
ieu rama Fachreza Rizky Rahman-
syah jeung Fadhilah Ilmi Rahmanda
téh. Lian ti ngayakeun pertemuan
maneuh tilu bulan sakali, ogé sok
ngayakeun kagiatan buka puasa,
halal bihalal, ogé kagiatan olahraga
jeung ti paguyuban séjénna.
Sanajan ieu carogé Leny
Rosliani dumuk di nagri deungeun,
tetep kana miara jeung ngamumulé
basa jeung budaya Sunda mah hen-
teu leungit. Buktina, dina saban
gempungan atawa papanggih jeung
urang Sunda angger nyarita mah
ku basa Sunda. Kitu deui di imah
jeung kulawarga, geus biasa
nyarita ku basa Sunda. Malah, ka
putra-putrana nu kiwari aya di
lingkungan deungeun ogé, teu
weléh nitipkeun basa Sunda.
“Sanajan dumuk di mana waé ogé,
tetep basa Sunda mah kudu di-
mumulé”, ceuk Suhendra témbrés.
*** (RH)
7Manglé 2467
Dumuk di nagri deungeun, ngararasakeun butuh dulur nu salembur
Sareng garwana
Mekarkeun budaya Sunda, ulah poho ngawanohkeun kaaripan lokal Sunda
10. Hartina, cenah, saha waé nu
dicalonkeun, jeung di mana waé
ditempatkeunanan, kumaha partey
pultik nu ngarojongna. “Taya nu lepat
dina sual éta mah, da kitu aturan
masing-masing partey gé,” pokna
sawatara waktu ka tukang.
Dina pilihan legislatif, caleg téh di
tempatkeun di daerah pilihan (dapil).
Kitu téh, ceuk Prof. Dede
‘ngadeukeutkeun’ nu rék milih jeung
wawakilna. Enas-enasna mah, itikad
hadé pihak-pihak nu nyieun éta atu-
ran, sangkan nu milih wanoh ka nu
dipilihna sarta nu ngawakilan éta
dapil wanoh kana kabutuh masarakat
di daérah nu diwakilanana. “Tapi,
apan ayeuna mah partey pulitik gé
sentralistk,” pokna. Ku lantaran kitu,
tinimbangan nempatkeun calon gé
leuwih neuueul kana kapetingan
parteyna.
Lian ti kitu, ceuk tilikan ieu Guru
Besar Fisip Unpad téh, ku lantaran
partey pulitik ge teu leupas tina ‘oli-
garki’ partey, atuh nu ditempatkeun
di saban daerah ge, remen dumasar
kana tinimbangan demi parteyna,
kaasup demi ‘kulawarga’ pangurus
parteyna.
Memang, cenah, nu ditempatkeun
ku partey téh, can tangtu goreng.
Lantaran saha waé calonna, bisa waé
hade ajena atawa sabalikna. “Ngan,
milih calon nu wanoh kana kaayaan
daerah jeung budaya masarakat ge,
kudu jadi tinimbangan bala-
rea,”pokna.
Dina sawatara riungan, ceuk Prof.
Dede, remen kabandungan ‘kaguliga-
han’ hate ‘inohng’ Sunda dina nyang-
hareupan kaayan pulitik di Jawa
Barat. Loba nu hariwang upama
wawakil rahayat teu wanoheun kana
kaayaan Jawa Barat. Ngan, nu leuwih
penting, ceuk Prof. Dede, sakuduna
pituin Jawa Barat leuwih loba deui nu
ancrub kana dunya pulitik sarta
nyekel bagian-bagian nu penting dina
partey pulitik tea. “Upama loba keneh
nu jejereged ancrub ka partey, nya
wayahna we mun ‘dialas’ batur ge,”
pokna.
Najan kitu, ieu ahli Ilmu
Pamarentahan téh, miharep partey
pulitik nempatkeun kader nu pang-
hadéna, sarta satekah polah nu ngarti
kana kaayaan daerahna. “Lantaran
pancen gawe anggota dewan di
antarana nepikeun aspirasi
masarakatna,” pokna.
Upama urang Sunda ngarasa ku-
rang dibalitungkeun ku patrey pulitik,
Prof. Dede, sakuduna jadi pamecut
keur sakumna urang Sunda. Hartina,
urang Sunda gé kudu boga kakuatan
anu jinek sangkan boga kakuatan nu
dibalitungkeun ku pihak mana waé.
Saha nu misti nyadarkeun urang
Sunda sangkan engeuh kana pulitik
téh? Ceuk ieu Profesor urang Ban-
dung mah, tangtu wé para ‘inohong
Sunda’ jeung organisasi-organsiasi
kasundaan. Mémang, cenah, ari
adurenyom kasundaan mah remen,
ngan ukur sabudeureun para inohong
wungkul. Padahal, sawadina kaguli-
gah inohong téh kudu parat ka
masarakat sakumna.
Dina mangsa pilihan umum, para
elit kudu leukeun datang ka
masarakat. Ngajak jeung nyadarkeun
masarakat pentingna milih calon
pamingpin anu hade keur kamaslaha-
tan balaréa. Hartina, ceuk Prof. Dede
kudu mampuh numuwuhkeun
kasadaran masarakat kana pentingna
pilihan pamingpin nu baris mangpaat
keur Jawa Barat sakumna.
Sora rahayat Jawa Barat kacida
lobana. Jumlah nu kawas kitu jadi
kakuatan nu rohaka. Ku kituna,
urang Sunda gé kudu nangtukeun
pilihanana kalayan imeut tur taliti
sangkan nu kapilih téh nu nyaah ka
masarakat Jawa Barat, lain ukur
urang Sunda diarah sorana wungkul
lima taun sakali.
Nu penting ayeuna, ceuk Prof. Dr.
Dede Mariana, M.Si., ngawangun
kasadaran babarengan urang Sunda
sakumha. Da, mun jinek kakuatan-
ana mah, baris jadi tinimbangan nu
nguntungkeun keur urang Sunda
atawa Jawa Barat umumna. “Lan-
taran, partey gé baris ngabalitung-
keun untung-rugina,” pokna semu
ngingetan. *** (Ensa)
9Manglé 2467
Urang Sunda ulah ukur diarah sorana Nitipkeun sora geusan ngahontal udagana
11. Manglé 246710
M
ajalaya, kota kacamatan nu aya
di wewengkon Kabupatén Ban-
dung, ti taun 1930 geus ka-
mashur ka mancanagara. Harita,
Majalaya éstu jadi “icon”-na tekstil dunya.
Malah ceuk catetan sajarah, mesin Inggris
nu pangheulana gé aya di Majalaya.
Hanjakalna, balukar krisis ékonomi
industri lawon Majalaya “sakarat” tug
nepi ka kiwari can bisa menyat deui.
Majalaya nu tadina kawéntar mi-
nangka kota dolar, akhirna leuwih di-
piwanoh jadi kota dokar (kéréték-réd)
jeung kebul. Papadaning kitu, ceuk Camat
Majalaya, H.Yosep Nugraha SH, pabrik
lawon di Majalaya masih kénéh réa nu
produksi, kaasup usaha perbank-kan, boh
nu pamaréntah boh nu swasta.
“Nilik kana kondisi nu aya Majalaya
téh masih kénéh tiasa disebat kota dolar,
margi sanés waé pabrik kaénna seueur nu
masih produksi, usaha perbankkanna ogé
aya welasna. Hartosna, perputaran artos
di Majalaya masih kénéh ageung,” pokna.
Balukar krisis ékonomi, ditambah
kawijakan pamaréntah ngeunaan pasar
bébas, éusaha lawon Majalaya rada nyiro-
rot, malah kaéléhkeun ku produk lawon ti
Cina nu hargana leuwih murah. Tapi ceuk
Yosep, sabenerna Majalaya boga lolong-
krang pikeun mulangkeun deui pamorna
nu geus lila leungit. Carana, ku mroduksi
deui samping poléng, lawon ciri has Maja-
laya, nu salila ieu geus kapopohokeun.
Ku kituna, minangka pingpinan di éta
wilayah, Yosep umajak ka para pangu-
saha lawon, utamana pangusaha pribumi,
sangkan daék nyarieun deui samping
poléng. Lantaran ku ayana ciri has anu
mandiri, lain saukur nanjeurkeun deui
ngaran Majalaya, tapi ékspor lawon ogé
bisa nérékél deui. Samping poléng Ma-
jalaya kalitasna leuwih hadé, malah
pokna, saméméh pabrik nyieun “boda-
san” Majalaya leuwih kawéntar ku samp-
ing poléngna. Dijualna ogé lain di
Indonésia wungkul, tapi nepi ka Éropah,
Amérika, Malayia, Singapur, jeung Timur
Tengah.
“Mung kumargi pangusaha, hususna
nu pribumi, langkung resep ngadamel
bodasan antukna samping poléng
dikantunkeun,” ceuk Yosep, anu ogé ka-
catet minangka Ketua Karang Taruna
Kabupatén Bandung.
Yosep ngémbohan, saluyu jeung aspi-
rasi nu ditepikeun ku masarakat, yén
pamor Majalaya kudu balik deui, salah
sahijina ngaliwatan ciri hasna, nyaéta
samping poléng. Salian ti kitu, Majalaya
ogé kudu jadi tempat puseurna kagiatan
dagang lawon. Jadi, boh padagang lokal
boh éksportir, lamun butuh lawon bisa
langsung datang ka Majalaya, teu kudu
meuli ka Jakarta atawa ka daérah séjén.
Hal sarupa kitu bisa mangaruhan kana
kahirupan ékonomi Majalaya, lantara
ayana puseur perdagangan téh kudu
dilengkepan ku pasilitas séjénna, saperti
hotél jeung réstoran. Salila, tamu nu
datang ka Majalaya lamun rék ngéndong
atawa palay tuang-leueut anu rada alus
kudu ka Kota Bandung atawa ka Jati-
nangor-Sumedang.
Minangka kota tékstil, Majalaya kudu
boga ciri anu mandiri, di antarana baé
kudu mibanda musieum lawon nu eu-
weuh di kota séjén, hususna di Jawa
Barat. Di éta musieum, salian ti midang-
keun sajarah Majalaya téh ogé aya lawon
nu mimiti diproduksi di Majalaya nepi ka
“alat tenun bukan mesin” atawa ATBM-
na. Di éta museum ogé dipidangkeun
mesin buatan Ingris nu mimiti dipaké di
Majalaya.
“Janten, tamu nu sumping ka Maja-
laya téh sanés balanja wungkul, tapi ogé
milari pangaweruh ngeunaan kaén, kale-
bet cara-carana gadamel kaén katut alat
sarta kaén anu ngawitan diproduksi di in-
dustri tékstil Majalaya. Areng deuih aya
inpromasi ngeunaan pangusaha nu
ngawitan naratas usaha kaén,” pokna
deui.
Tarékah séjén sangkan industri lawon
Majalaya ulah nepi ka pareum, para
nonoman Majalaya kudu daék neruskeun
usaha nu geus ditaratas ku karuhunna,
tur dibarengan ku élmu pangaweuruhna.
Jadi, usaha kana lawon, utamana nyieun
samping poléng, kudu jadi warisan anu
sipatna turun-tinurun. Éta hal bisa
ngawujud lamun aya pangrojong ti
pamingpin daérah, saperti ayana kawija-
kan keur nu rék neruskeun sakola ka
STTekstil atawa ITB seni grafis, Pemkab
Bandung kudu mantuan urang Majalaya
sangkan bisa nyuprih pangarti di éta
paguron luhur. Pikeun anu teu neruskeun
sakola ka tingkat anu leuwih luhur, Yosep
miharep Pemkab Bandung ngawangun
Balai Latihan Kerja (BLK) husus keur
generasi penerus anu minat kana usaha
lawon. Di éta BLK, pangajaran anu diajar-
keun, salian ti cara-cara nyieun lawon téh
ogé cara ngadesain lawon anu saluyu
NgahangkeutkeunDeuiSampingPoléngMajalaya
MulangkeunCitraKotaDolar
H.Yosep Nugraha SH, Camat Majalaya
IImplik-implik
12. 11Manglé 2467
jeung kahayang pasar, nepi ka cara nga-
jualna.
“Ku cara kitu, insa Alloh Majalaya mi-
nangka puseurna industri kaén di Ban-
dung Selatan tetep nanjeur, malah icon
minangka indsutri kaén dunia gé tiasa
balik deui,” ceuk Yosep.
Progam Majalaya Greend and
Healthy
Salila ieu, kajayaan Majalaya nu ka-
mashur ka manacanagara ukur jadi catur
tanpa bukur, lantaran kiwari nu yésa ukur
kaayaan kota anu sareukseuk. Kotana
geus teu éndah deui, salian ti jadi lang-
ganan caah téh ogé teu tartib, pabuis an-
tara PKL, angkot, jeung kéréték nu silih
séréd parebut jalan keur lapak dagang
jeung parkir.
Kurang leuwih 16 taun masarakat
“dibekem” teu bisa nepikeun aspirasi,
sangkan kotana jadi alus deui, malah mun
konganga mah hayang pangalusna sa-
Kabupatén Bandung. Sakabeh warga
ukur bisa ngurut dada, kemba, komo mun
mireng Majalaya geus salin istilah tina
kota dolar jadi kota dokar. Éta hal éstu di-
enyakeun pisan ku Yosep, pokna, pasua-
lan Majalaya éstu komplék pisan, ti
mimiti pasualan PKL, kéréték nepi ka
pasualan parkir kandaraan.
Tapi sabenerna, éta pasualan bisa
gancang diungkulan lamun Pemkab Ban-
dung gancang-gancang mindahkeun
Pasar Majalaya ka Désa Majasétra. Jadi,
lahan pasar bisa dipaké keur tempat
parkir kandaraan, soréna bisa dipaké da-
gang PKL. Di Majalaya, jumlah PKL ka-
catet aya 3000 urang, sigana panglobana
dibandingkeun jeung kacamatan séjén nu
aya di Kab. Bandung mah. Ku kituna,
léngkah mimiti, ceuk camat nu kakara di-
lantik tilu bulan, nyaéta nartibkeun kota
ngaliwatan program “Majalaya greend
and healthy” (héjo jeung séhat).
Nu pangmimitina dilaksanakeun
pikeun ngabebenah Majalaya, nyaéta
nartibkeun PKL nu aya di sapanjang
jalan MT.Kondang-Jalan Tengah. Di
sapanjang éta jalur jalan dijadikeun zona
mérahna PKL, terus disulap jadi “ruang
terbuka hijau” (RTH). Rencanana, bakal
aya 100 titik RTH di éta jalur, sarta bakal
dicanangkeun jadi jalur “bunga cinta”.
Maksudna, saméméh lumangsung ijab
kobul, pangantén di Majalaya wajib
nyumbang tangkal kembang lengkep
jeung potna.
“Janten, RTH jalur tengah dipiharep
mangrupi subangsih ti publik pikeun
ngahéjokeunana. Kanggo nyukséskeun-
ana, pihak kacamatan gawé bareng
sareng kantor Kementrian Agama nu aya
di ieu wewengkon. Tangkal kembang
sumbangan ti calon pangantén jenisna
bébas, tapi ukuranana kedah disaluyu-
keun sareng conto nu di kacamatan,”
pokna.
Salian ti kitu, alun-alun ogé bakal
dipungsikeun jadi rohang publik lengkep
jeung taman, sarana olahraga, sarta
taman lansia. Pikeun ngabenahan Alun-
alun jeung RTH jalan Kondang - Jalan
tengah, kacamatan geus nyiapkeun
waragadna. Ngan éta rarancang moal
ngawujud lamun taya pangrojong ti
masarakat jeung Muspika.
Ngawangun daérah, ceuk Camat
Majalaya nu 10 taun kungsi jadi sékrétaris
pribadi (sékpri) Bupati Bandung, éstu lain
hal anu babari. Komo Majalaya,
padumukna geus jadi masarakat urban
pakotaan anu pinter, cerdas, jeung kritis
sarta mibanda dinamika anu luar biasa.
Ku kituna, ngaliwatan forum bruk-brak,
pihakna ngawangun komunikasi jeung
sakabéh pihak, sangkan boga pamikiran
nu sarua dina ngawangun Majalaya.
Komunikasi ngaliwatan forum bruk-
brak hasilna hadé pisan, sabab salian ti
masarakat bisa népikeun aspirasina, ka-
camatan ogé bisa nyosialiasikeun prog-
ram pangwangunan nu jadi kawijakan
pamaréntah, kaasup rencana mindah-
keun Pasar Majalaya. Ngaliwatan forum
bruk-brak ogé dipiharep mucunghul
gerakan anu guyub, utamana dina
tarékah nartibkeun kota, sangkan meu-
nang pangrojong ti kabéh pihak, kaasup
Muspika.
Yosep balaka, dirina boga karep
hayang jadi pamingpin anu dipikacinta ku
rayatna. Ku kituna, minangka camat
anyar dirina wajib miheulaan mihéman
rayatna. Jadi, salian ti Forum bruk-brak,
camat nu pernah mawa Kacamatan
Kutawaringin jadi juara lomba gotong
royong tingkat provinsi Jabar téh, rék
ngalanglang baraya unggal minggu.
Dina kagiatan ngalanglang baraya,
Yosep bakal ngéndong di imah warga anu
miskin. Maksud tina éta kagiatan, salian
ti hayang leuwih wanoh ka wargana, ogé
sangkan leuwih apal kumaha kaayaan
masarakatna, utamana para kulawarga
miskin.
“Upami aya rejekina, minangka camat
sim kuring tiasa ngabantosan aranjeunna.
Pami nu teu gaduh béas, atuh masihan
béas, atanapi naon baé saluyu sareng ka-
mampuh camat,” pokna, bari nyebutkeun,
sakabéh program keur Majalaya tagétna
kudu réngse dina waktu 1,5 taun, atawa
salila Bupati Bandung, Dadang M Naser,
jeung Wakilna, Deden Rumaji. manggung.
Iwal ti mindahkeun pasar. **nunk/dédé
Sok sanajan pamorna geus nyirorot,
di Majalaya masih kénéh réa pabrik tékstil
Usaha tékstil kudu diteruskeun
ku genarasi ngora
Pangusaha téktil Majalaya geus langka nu
nyieun samping poléng (nét)
13. Manglé 246712
NNyusur Galur
D
ina Manglé minggu pengker dipedar ngeuna-
an perjuangan Bupati Bandung R. H. Lily
Sumantri dina enggoning ngawangun sakola-
an di daérah-daérah kakawasaanana. Lian ti anu
diupayakeun ku Yayasan Pendidikan Pembina Karya
Pembangunan (YPPKP), berkah jasana Ibu lily
Sumantri, garwa Bupati Bandung anu salawasna
ngagéngdéng carogé dina kunjungan-kunjungan kerja
ka daérah, nya diwangun “ Pusat Sosial Asuhan Anak’
jeung ‘Tresnawerdha Bhakti pertiwi’
Berkah pamarekanana jeung para pangusaha nu
maraju di wilayah Kabupatén Bandug, nya bisa
ngawangun gedong Panti Sosil di Désa Manggahang
Kacamatan Balééndah Ciparay Bandung Selatan, Ti
saprak ngadegna Panti Sosial Bhakti Pertiwi, geus
mampuh méré santun ka 308 barudak anu kalantar.
Bupati bingah manah sabab éta budak kabéh geus
barisa hirup mandiri, maranéhanana digawé di in-
stansi pamaréntahn jeung swasta. Malah aya anu
muka usaha sorangan tepi ka bisa mantuan
kulawargana sorangan jeung masarakat. Boh sacara
langsung boh teu langsung, maranéhna geus bisa
mantuan pamaréntah dina enggoning ningkatkeun
karaharjaan sosial masarakat.
Berkah jasa-jasana geus loba piagem jeung
tanda-tanda panghargaan katut piala tina
rupa-rupa kagiatan.
Dina widang pendidikan kulantaran préstasi para
siswana, nya meunang besiswa ti PT. TELKOM, pang-
pangna keur Sisw Tuladan ka 2 sa kabupatén Ban-
dung (1997/1998, taun éta kénéh ay anu meunang
béasiswa Supersemar jeung ti Yayasan Al Hidayah
.Taun 1999-2000 ti PT. Istana Samudra Cargo. Taun
1999 -2000, ti PT.SANBE FARMA 2006-2008.
Taun 1995 slahsaurang anak asuh, Dédé Suhara
Seminar Elmu Pamarentahan
Di Perancis nu sering Ganti Perdana Mentri
14. 13Manglé 2467
diutus jadi Perwakilan jawa Barat milu kana acara
“Temu Siswa Tani Nasional” di Samarinda salila 10
poé ngiring para menteri jeung Presidén SBY. Lian ti
kitu, para anak asuh loba anu geus hasil ngahontal
cita-citan ngawujudkeun harepan dirina, para guru
jeung kolotna sorangan, kiwari hirupna pinanggih
jeung kabagjan.
Ka Perancis jeung Inggris
Bulan Nopémber 1974 Bupati Bandung R.H.Lily
Sumantri ditugaskeun ku Departemén Dalam Negri
milu Seminar Élmu Pamaréntahan di Perancis. Para
pasartana di antarana baé para bupati ti Pulo Jawa,
Bali, NTB,NTT. Ti Jwa Barat kpilih dua Bupati nyaéta
Bupti Indrmayu Dr. Djahari R. H. Lily Sumantri Bu-
pati Kabupatén bandung. Kabupatén séjénna ogé
sarua, diwakilan ku dua Bupati. Nurutkeun Bupati
Bandung manten R. H. Lily Sumantri, sacundukna di
kota Paris, para delegasi dipapagkeun ku mojang-mo-
jang anu gareulis. Diperenahkeun di hotél Trianon .
Minggu munggaran mah terus-terusan ngadukduk
Seminar, genep poé noron. Lancar tur aman pisan,
sabab materi-materi kabéh ditarjamahkeun kana basa
Indonesia. Dina acara tanya jawab ogé, pertanyaan-
pertanyaan ku basa Indonésia téh lngsung
ditarjamahkeun kana basa Perncis, jawabanana pon
kitu deui, langsung ditarjamahkeun kana basa
Indonésia. Poé Saptu jeung minggu, para pasarta
Seminar diajakan darma wisata atawa tour ka London
Inggris, mangsa harita di london kabenernana téh
keur usum tiris mani mucicid, Bupati bandung mah
ngadadak kaligata, arateul sakujur badan,
ngarogényang, sampéanna barareuh, tuang leueut
ngadadak seuseut, tepi ka kapaksa kudu ngaso, hen-
teu bisa miluan tour deui, ngaso we di Méss Kedubes
Indonesia di London. Dokter emergénsi, kulit hi-
deung tapi tetep bageur jeung getén pisan. Atuh
batur-batur saba London teh bapa Lily mah ngaring-
kuk disimbt kandel jeung tuang landong. Soréna
karasa awak sehat tur seger ngan tetep henteu meu-
nang kaluar ti kamar, sabab di luar hawa kacida tiis-
na. Isukna pabeubeurang rombongan balik deui ka
Paris. Duta besar RI di Perancis, Pa Nur ngulem para
delegasi ti Indonésia riungan kakulawargaan. Waktu
ditaros kumaha carana bapa tiasa nyarios ku bsa
perancis sakitu lancarna. Walerna téh, saban poé di-
ajar 3 tepi k a 5 kalimah teu eureun-eureun tug tepi
ka poé éta, Ku naon di Perncis teu aya arca Napoleon
Bonaparte? Waleranana kurang jelas. Dina Seminar
dibéré katerangan anu écés ngeunaan jalanna
pamarentahan di Perancis anu sering tigubrag-hu-
dang deui, kitu jeug kitu wé, sering gunta-ganti per-
dana menteri, iwalti jaman PM.De GOUL, panglilana
jadi Perdana Menteri De Goul mah. Para pasarta
seminar ogé sering diajakan orientasi ka luar kelas,
kunjungan ka sababaraha daérah, di antarana;
1) Nitenan proyék-proyék pertanmian di sababrha
daérah padésaan.Umumna patni di Perancis mah
geus karolot, numatak maranéhna sering rumahuh
sabab pokna, harésé ngajakan anu ngarora téh di
Perancis mah, sumawonna kana kagiatan tani,
sabab geus narima bantuan waragad ti Social
Security keur hirupna sapopoé, liwa ti cukup. Keur
naon tani?
2) Terus para pasarta diajakan lolongok ka daérah
tapel wates Perancis -jerman, ningalan patilasan
perang dunya kadua. Ningalan imah-imah jaman
baheula anu ruksak, bilik-bilikna geus barolong
urut témbakan-témbakan, henteu dioméan, sabab
dianggap penting pikeun bukti sajarah.
3) Nyaba ka kota Lion, kota anyar anu sabagian
kotana keur diwangun kénéh , kawengku ku ren-
cana pangwangunan kota Baru. Diécéskeun ka
para tamu ngeunaan rencana pangwangunan Kota
Lion jeung sagala rupa aspékna, pangpangna
ngeunaan prosedur pangwamgunan kota ti mimiti
ngararancangna tug tepi ka palaksanaanana.
Deukeut ka ahir minggu kadua rombongan di-
ondang tuang ku Mentri Luar Negri di Hotel Savoy,
Sumping ogé Duta Besar RI di Perancis, Mentri Luar
Negri Perancis, anu soméah daréhdéh bener-bener
hadé ka sémahna téh. Bupati Bandung masrahkeun
tawis soca titipan Ketua PB.Paguyuban Pasundan
mangsa harita kang Ayafei mangrupa wayang golék
opat, Semar, Cepot, Dawala jeung saurang putra Pan-
dawa nu mashr nyaéta Gatotkaca. Pribumi katajieun
pisan, hanjakal waktu anjueunna naroskeun ngeuna-
an opat tokoh wayang téa, teu bisa ngajelaskeun saur
Pa Lily Sumantri jujur. Hadena saurna deui, aya bu-
pati ti Tengah anu pahameun pisan kana carita
wayang, nya ku anjeunna diécéskeun saha-sahana
tokoh anu opat téh, écés pisan turta gampang kaharti.
Kitu diantarana lalakon nyaba ka nagara budaya anu
mashur Perancis jeung Inggris.***
(HRS/Hanca)
15. Manglé 246714
MMunara Cahaya
P
ara ulama jumhur geus remen
nyawalakeun reujeung madung-
dengkeun bab falsafah atawa falasi-
fah atawa filsafat. Naon falsafah téh?
Atawa naon falasifah téh? Sapuk wéh, nu-
rutkeun hartina falsafah téh nyaéta istim-
batul majhul minal ma’lumi, tegesna
ngabodaskeunanu teu kaharti tina hal anu
ku urang geus kaharti.
Pikeun ngécéskeun hal éta, perlu
dipedar heula hiji kaidah ushul fiqih anu
kieu unggelna: “maa laa yatimmul wajibu
illa bihii fahuwa wajibun”. Anu pihartieu-
nana;Hijiperkaraanunyababkeunhenteu
cumponna hiji kawajiban kajaba ku éta
perkara mangka éta perkara téh kabawa
wajib hukumna. Saperti kieu contona :
Saurang salaki nitah ka pamajikanana,”
Cik Mah gera nyangu!” Parentahanana
mah ngan sarupa nyaéta nitah nyangu.
Tapi sakeur ngalaksanakeunana diper-
lukeun sababaraha rupa perkara anu
ngubeng dina sakurilingeun kecap ‘gera
nyangu’ lantaran nyangu pan teu cukup ku
béas wungkul da paménta si salaki anu
sabenerna mah hayang dahar. Ana kitu
diperlukeun ayana atawa ngayakeun béas,
ngagiling, nutu atawa ngahaja meuli ti
pasar satuluyna merlukeun diisikan heula,
kudu aya wadah, boboko atawa sangku,
kudu aya suluh atawa minyak tanah atawa
kiwari mah LPG. Kudu mirun seuneu,
kudu aya hawu atawa kompor satuluyna
kudu dikarih, diakeul jeung saterusna
jeung saterusna. Sanggeus sangu asak,
naha cukup? Tangtu moal cukup atawa
acan nyumponan kana kahayang. Mer-
lukeun ayana deungeunna; sambel, gulé
atawa saté, goréng endog jeung sa-
bangsananing warna-warni deugeun
sangu.
Naha sakabéhna anu dipigawé ku pa-
majikanana téh atas panitah salaki? Jelas
henteu pan. Da nitahna mah wungkul
sakecap gera nyangu, teu nitah ituh inih,
teu sugan nitah ngisikan, nyayagikeun pir-
ing sendok ngan baé sakabéhna moal lak-
snana dahar saupamana teu dilakonan
pagawéan anu sejenna anu teu kasebut
dina paréntahan gera nyangu téa. Tah éta
hartina “Mim baabi maa laa yatimmul wa-
jibu illa bihii fahuwa wajibun”. Teu sam-
purna paréntah kawajiban nyangu anging
kudu ku migawé pagawéan anu sakitu
lobana, mangka éta pagawéan téh jadi
wajib deui.
Ngadegkeun sholat
Ayeuna urang téang falsafah sholat.
Gusti Alloh Subhaana Wata’ala marén-
tahkeun dina Al Qur’an ngan sakecap anu
unina; “Wa aqimush-sholaata,” hartina
“Jeung prak adegkeun sholat!” Dina kecap
kudu ngadegkeun sholat teu aya paréntah
ruku’,sujud,teuayaparéntahkuduwudhu
heula, kudu ku cai anu suci tur nyucikeun,
teu maréntah kudu beresih badan, pakéan
tina najis, teu maréntah kudu nyang-
hareup ka jihat kiblat, jeung teu maréntah
kudu nutup orat jeung saterusna jeung
saterusna. Paréntahan mah ngan sakecap
“Wa aqimush-sholaata!” teu kurang teu
leuwih kudu ngadegkeun sholat. Ieu
hartina falsafah nyaéta “Istimabtul Majhul
Minal Ma’luumi.”
Ari sholat téh pan kudu nangtung
sakumaha nurutkeun dalil:
Sholli Qoo-iman Fain lam tastathi”
faqoo-idan, Fain lam tastathi’ fa’ala janbin
(RH. Turmudzi), kudu sholat anjeun bari
kaayaan nangtung, mun teu bisa bari
nangtung nya bari diuk, mun teu bisa bari
diuk nya bari ngedeng/nyangkéré(HR. At-
Turmuji Rhl)
Urang moal bisa nangtung lamun teu
jagjag, jeung moal jagjag lamun teu dahar
teu nginum, moal bisa dahar lamun hen-
teu usaha, naha dagang, tani, kuli atawa
sabangsana. Jadi urang wajib ikhtiar,
usaha supagi bisa dahar nginum, dahar
nginum supagi jagjag, jagjag supaya mam-
puh nangtung sakeur sholat. Ana kitu
hukumna ikhtiar tegesna usaha téh wajib
deuih saperti dawuhan Kangjeng Nabi
Muhammad Sholallohu ‘Alaihi Wasallam:
Tholabul halaali wajibun ‘alaa kulli mus-
limin. Hartosna: Ari nyiar barang halal
wajib hukumna ka sakur jalma Islam (HR’
Ad-Daelami).
Tiap-tiapsholatkudunutupanorat,ari
nutupan orat pan kudu ku kaén,ari nyieun
kaén pan kudu ditinun. Jadi atuh umat
Islam kudu ngabogaan pabrik tinun keur
kaén, kaén keur nutup orat, nutup orat
sakeur sholat. Demi ari pabrik tinun moal
jalan saupama teu aya kapas, kapas moal
aya upama teu aya kebon kapasna, kebon
kapas moal alus tumuwuhna saupama teu
ku ahlina tegesna ahli pakebonan. Ana
kitu, Islam ngawajibkeun urang kudu
ngabogaan pabrik kapas, pamintalan,
ngabogaan onderneming kapas, jadi in-
sinyur ahli pakebonan kapas turta mahér
kana urusan tatanén sangkan bisa sholat.
“Al amru Bisy-syai-i Amrun Biwasa-
ilihi” (Ari paréntahan kana hiji perkara
nyababkeun urang kudu migawé perkara
séjénna sangkan katedunan paréntah
tadi).
Aya deui paréntahan sangkan urang
sholat berjamaah, anu kieu unggelna:
Sholaatul Jamaa’ati Tafdhulu Min
Sholaatil Fadzi Bisab’in Wa ‘Isriina Daro-
jatan (Ari sholat berjamaah leuwih utama
tibatan sholat nyorangan, undakna dua
puluh tujuh kalieun. (HR. Imam Malik,
Imam Ahmad, Imam Muslim Rohimahu-
mulloh)).
Diriwayatkeun ti Sayidina Ibnu Umar
Ra dina Kitab Al-Jami’ush-Shoghir, hadits
ka 5074, ari sholat berjamaah téh kudu
dinatempat anu lega,kayaning masjid.Ari
nyieun masjid pan kudu aya batu bata,
keusik, semén, téhel, paku, cét, jeung saja-
bana ti éta. Jadi umat Islam diparén-
tahkeun ku sholatna sangkan ngabogaan
pabrik bata, nyieun lio, pabrik kenténg,
pabrik kapur, pabrik semén, pabrik paku,
pabrik cét, pabrik séng reujeung sajabana,
Sarta ieu kawajiban téh ka umat Islam da
umat anu rék sarolatna ogé umat Islam,
lain Hindu lain Karésten. Cocog reujeung
dawuhan Kangjeng nabi Muhammad
Shollallohu’alahi Wasallam: Ash-Sholatu
Mi’rojulMu’mini,sholattéhmi’rajnajalma
mu’min. Upama Kangjeng Nabi SAW mah
mi’raj anu hakiki, mangka umat Islam
mi’roj anu majazi. Anu hartina mi’roj téh
ningkat, undak atawa naék. Naha ari umat
Islam ngabogaan rupa-rupa pabrik jeung
NgadegkeunSolat
Kawajiban Hirup BekelAhérat
Ku Emha Ubaidillah
16. 15Manglé 2467
jaradi insinyur proféssor turta mibanda
kaahlian dina rupa-rupa widang, lain
ningkat hartina?
Lamun anu asalna belegug jadi pinter,
lain mi’roj kitu? Naha lain ningkat
ngaranna? Lamun asalna kokoro tuluy
ayeuna ngabogaan pabrik, naha lain mi’roj
ngaranna? Lamun asalna hina terus jadi
mulia naha lain ningkat ngaranna?
Anu sholat kudu nyanghareup ka ki-
blat, témbrés dalilna dina Al Qur’an. Surat
Al- Baqoroh ayat ka 114: Fawalli Wajhaka
SyathrolMasjidilHaroomi.(Kusababkitu
prak geura singhareupkeun beungeut
maranéh ka lebah Masjidil Harom).
Ku ieu paréntah umat Islam kudu
ningkat darajatna jadi jalma-jalma pinter
anu apal kana seluk-beluk elmu Bumi
jeung Geografi, nyaho lebah mana jihat
Masjidil Harom anu aya di Kota Mekkah.
Sabaraha darajat ari Mekkah tina gurat
tengah khatulistiwa. Urang sholat téh ka
kulon atawa ka Kiblat? Naha mustaqbilal
Qiblati atawa Mustaqbilal Arabi, atawa
Mustaqbilal Pakistani?
Lian ti madep kiblat, sholat gé kudu
boga wudhu heula, sakumaha témbrés
dalilna dina Al Qur’an, surat Al-Maidah
ayatka6,anukieupihartieunana:“Upama
maranéh saged rék ngadegkeun sholat,
geura kumbah beungeut maranéh, le-
ungeun maranéh nepi kana siku. Usap
sirah maranéh jeung geura kumbah suku
maranéh nepi kana mumuncangnana.”
Ari wudhu pan kudu maké cai anu
beresih tur ngaberesihkeun. Pasualan cai
anu beresih nétélakeun umat Islam di-
paréntah ku sholatna sangkan niténan
sarta merhatikeun urusan kaberesihan, ari
kaberesihan saparona tina iman. Tina
kaberesihan ngawujudna kaséhatan, tina
kaséhatan tumuwuh pangaweruh kadok-
teranatawaélmuthabibiyyah(husada).Sa-
jatina nya umat Islam anu kudu jaradi
dokter téh sarta jadi ahli-ahli kaséhatan,
rék kaom lalakina atawa kaom wanojana.
Nu gering lalaki nya sahadéna mah di-
pariksaturdipulasarakuparadokterlalaki
deui nyakitu sabalikna pangpangna dina
urusan marajian(kabidanan), pan teu lucu
tur ngarumpak papagon syaréat mun nu
ngajuru dibidanan ku para dokter lalaki
sanajan alesan demi kaséhatan. Ieu
hartina ari sholat eta mi’rojna jalma anu
iman.
Ari beberesih kudu maké sabun atawa
alat séjénna sangkan luduh sagala kokotor
anu arék diberesihanana, ana kitu nya
umat Islam anu sakuduna muka pabrik
sabun, sabun keur beberesih, beberesih
keur wudhu, wudhu keur sholat. Tah kitu
eusina falsafah sholat. Saban-saban sholat
ngabogaan waktu anu tangtu teu dapon
cong iraha waé sarta teu meunang sholat
sakarep ingsun da kudu puguh waktuna.
Dawuhan Gusti Alloh Subhaana Wata’ala
dinaAlQur’ansuratAn-Nisaayat103:“In-
nash-SholaataKaanat‘AlalMu’miniinaKi-
taaban Mauquutan,” saéstuna sholat téh
kawajiban kaom mu’minin anu ditang-
tukeun waktuna. Ku ayana sholat anu
ngabogaan waktu anu tangtu, umat Islam
kadorong sangkan neuleuman elmu miqot
hartinapangaweruhnganyahokeunwaktu.
Ayeuna ku kamajuan élmu pan-
gaweruh ampir saban imah boga jam,
ampir tiap leungeun maraké erloji malah
kaayeunakeun jadi panglengkep com-
puter, hapeé jeung sabangsana. Mangpi-
rang-pirang jalma anu jadi hartawan ku
lantaranngabogaanpabrikjamtangan,pi-
rang-pirang jalma anu super jegud lan-
taran jadi tukang ngomean(nyervis) arloji,
éta téh kabéh jasana Islam ka masarakat
umumna kana kahirup-kumbuhan
manusa sajajagat. Sakumaha dawuhan
Gusti Alloh SWT dina Al Qur’an surat Al-
Anbiya ayat ka 107: “Wamaa Arsalnaaka
Illaa Rohmatan Lil ‘Alamiina, jeung Kami
teu ngutus andika (Muhammad) anging
keur jadi rohmat satungkebing alam. Ge-
uning anu ngarasakeun guna tur mang-
paatna, ni’mat tur kalezatanana téh lain
wungkul umat Islam tapi pikeun sakabéh
alam.
Kalungguhan Solat
Sholat teh bisa ngawangun manusa
susila, makhluk anu akhlakna mulia,
ngagem budi pakerti anu luhur, moral anu
mulia-jaya, sakumaha dawuhan Gusti
Alloh SWt: “Innash Sholaat Tanhaa ‘Anil
Fahsyaa’i Wal Munkari” (QS Al Akabut :
45).Saéstunasholattéhmataknyegahtina
laku lampah jahat jeung kamungkaran.
Yakin atuh sholat téh ngabogaan kakuatan
turta mibanda daya pikeun nolak kaja-
hatan, kamungkaran, jeung sajabana.
Sabab aya ogé sholat anu disayagian siksa
pangrohakana nyatana naraka Wél. Jadi
sholat anu mampuh ngawangun manusa
susila ngagem akhlak anu mulia, luhung
budi-pakarti nyaéta sholat anu dilakonan
kalayan khusu’ sakumaha dawuhan Gusti
Alloh Subhaana Wata’ala: “Qod aflahal
mu’minuuna lladziina Hum Fii Sholaati-
him Khoosi’uuna.” (QS. Al-Minuun : 1-2),
Saéstuna bagja jalma-jalma mu’min (ny-
atana) jalma-jalma anu harusyu’ dina
sholatna. Ecés, anu bagja téh anu khusyu’
dina sholatna tur dijamin ku Gusti Alloh
Swt yén sholat mibanda power geusan ny-
inglar kajahatan turta pamungkaran.
Upama anu sholat khusyu’ kana hiji kecap
Alloohu Akbar nu hartina Alloh Anu Maha
Agung, Alloh Anu Maha Mulia, Alloh Anu
Maha Gedé, teu aya panggedéna dina piki-
ran jeung lelembutan anu sholat salian ti
Gusti Alloh.
Pikeun jalma anu iman anu khusyu’
dina sholatna katut mraktékkeun sagala
eusi sholatna tanwandé bakal jadi jalma
anu bageur cadu badeur, jadi jalma anu
ngupaya sholéh cadu salah sarta bageurna
bageur anu teu ngabudi ucing. Jangji satia
salaku Muslim anu digerendengkeun ung-
gal waktu sholat mangrupa jangji sumpah
perjurit yén rék satia satuhu jadi manusa
qurbani tegesna ahli pangorbanan
kalawan harti anu salus-alusna tur salega-
legana.Jisimabditeumigaduhnaon-naon
dalah ka hirup sinareng pati nya kagungan
Gamparan Gusti, kantenan anu sanésna
kayaning netepan jisim abdi, pangbakti
jisim abdi éstu teu ngagaduh-gaduh sa-
dayana kagungan Gamparan Gusti dalah
teretetna sinareng kahoyongna mung ka-
gungan Gamparan Gusti.
Hiji pangorbanan anu sepi ing pamrih
ramé ing gawé ngan darma ngalakonan
baé, pangorbanan anu ikhlas clik putih
clak hérang, teu aya garad teu karana oléh,
tapi karana Alloh samata-mata. Lucu
temenan sarta karasa éndahna lamun hiji
nagaraanuumatnareujeungrahayatnadi-
wengku ku umat anu pribadi-pribadina
ahlipangorbanananuikhlas,sepiingpam-
rih ramé ing gawé, rawé-rawé rantas
malang-malang putung meureun nya nu
kitu nu dilakop dina Alqur’an Baldatun
Thoyyibatun Warobbun Ghoffuur, mana
teuing tiis ceuli herang mata, sepi paling
towongrampog,suburma’murpasirwukir
loh jinawi, kebon héjo Lombok, sodagarna
baleunghar, nu tanina marukti, cekel gawé
tibra haté, bari kabeh sumujud ka Dzat
Robbul ‘Alamin, bari teu nyakutukeun
Mantenna kana hijining barang, angot teu
percaya mah. Sadayana nyadrahkeun diri
kana sagala paréntah Mantenna, nga-
jauhkeun laranganana.
Eling-éling umat muslimin-muslimat
Mangka hayu urang berjamaah sholat
Estu kawajiban keur hirup saliwat
Kanggo pibekeleun jaga urang di ahérat.
17. Manglé 246716
TTanyaJawab
Patarosan:
Tumaros, kumaha hukumna nyam-
bung-nyambungkeun buuk. Teras deui
kumaha hukumna pami ka salon, upama
nu motong buuk lain jinis?
Hatur Nuhun.
Aliya
Cibiru Bandung
Waleran:
Hatur nuhun kana patarosanana.
Saleresna perkawis hukum nyambung
buuk kantos dipedar dina edisi Mangle
taun kapengker, namung teu sawios
urang pedar deui. Mudah-mudahan aya
mangpaatna, utamana ka nu teu acan
maos bahasan pasualan hukum nyam-
bungkeun buuk.
Dina ajaran Islam, nyambung buuk
diistilahkeun ku sebutan “al-washilah”,
hartosna jalma atawa awewe anu nyam-
bung buuk ku perkara lianna atawa ku
buuk lianna. Malah aya ulama anu nga-
hartikeun deui “al-Washilah” téh nyam-
bung buuk ku buuk jalma lian pikeun
nyamar rupa atawana pikeun nipu. Ku ki-
tuna para ulama ka nu kitu geus mufakat
kana ngaharamkeunana.
Katerangan anu tiasa dijadikeun dalil,
di antarana dawuhan Alloh Swt: “… jeung
kami (syétan-syétan) rék mangaruhan ka
maranéhna (jalma-jalma anu nuturkeun
ajaran syétan) supaya ngarobah ciptaan
Alloh anu aya dina dirina. Terus
maranéhna bener-bener ngarobahna.”
(QS. al-Nisa: 119). Dina Hadits Rasul Saw
disebatkeun: Aisyah kantos nyarios: “Aya
awéwé ti kaum Anshar nikahkeun bu-
dakna anu awéwé. Nalika ngadangdanan
budakna, manéhna nyambung rambutna
ku buuk jieunan. Terus saatosna kitu,
awéwé Anshar tadi nyumpingan Rasul
Saw, tur nyaritakeun sual kajadian nyam-
bung buuk. Lajeng Nabi Saw ngadawuh:
“Kalakuan kitu téh teu meunang, sabab
Alloh bakal ngalaknat ka awéwé anu
nyambung rambutna.” (HR. Bukhari).
Dina riwayat sanésna dicarioskeun:
“Aya istri naros ka Rasul Saw: ‘Ya Rasul-
ulloh, anak kuring anu awéwé tos kati-
baan panyakit anu ngabalukarkeun
rontok rambutna, teras badé ditikahkeun.
Naha kénging saupama rambutna disam-
bung ku buuk lian?’ Rasul ngawaler:
‘Alloh ngalaknat awéwé anu nyambung
rambutna, jeung awéwé anu ménta dis-
ambung rambutna”. Malih sajabi ti nyam-
bung buuk, Rasul ogé ngadawuh: “Allah
ngalaknat awéwé anu nato jeung anu
ménta ditato, awéwé anu ngikir waosna
jeung awéwé anu ménta dikikir waosna,
awéwé anu nyukur halisna jeung awéwé
anu menta dicukur halisna, awéwé anu
nyambung rambutna jeung awéwé anu
ménta disambung rambutna.” (HR.
Imam Ahmad, Bukhari, Muslim, Abu
Daud, Tirmidzi, Ibnu Majah, sareng
Thabrani).
Salajengna, naha dilarang téh nyam-
bung buuk ku buuk deui, tegesna buuk
jalma anu tos dipotong, terus dibéré ben-
tuk, saperti wig, gelung (konde), atawa
naon baé namina? Atawa nyambung
buuk ku benda salian ti buuk? Dina hal
ieu para ulama nétélakeun. Kahiji, dalil-
dalil anu ngaharamkeun masalah ieu
sifatna umum, henteu aya dalil anu
ngahususkeun. Kadua, haram hukumna
ngamangpaatkeun buuk jalma, boh keur
dijualbeulikeun, diséwakeun, atawa ngan
sakadar dipaké keur ngahias diri. Sabab
manusa diciptakeun ku Alloh pang
mulyana, tinimbang mahluk-mahluk
lianna. Katilu, mayoritas ulama (jumhu-
rul ulama) geus mufakat, yén nyambung
buuk ku buuk lian, atawa ku benda
lianna, hukumna haram sacara mutlak.
Dalil pikeun nguatan kana ieu pamade-
gan nyaéta Hadits Rasul Saw anu sum-
berna ti Jabir diriwayatkeun ku Imam
Muslim, yén Nabi Saw ngalarang ka
awéwé anu nyambung rambutna ku naon
baé.
Kumaha upama di lalaki, naha sarua?
Mémang saupama urang nala’ah Hadits-
hadits di luhur, mangka anu dsebutkeun
téh (bari dilaknat) ngan awéwé wungkul,
sedengkeun lalaki mah henteu disebut-
sebut. Dina hal ieu, para ulama mufakat,
yén maksud tina eusi éta Hadits, kaasup
ogé lalaki, sedengkeun anu disebut-sebut
ngan awéwé, henteu lalaki, numutkeun
Imam al-Nafrawi sareng Imam Maliki,
lantaran nu loba ngalakukeunana téh
pédah kaum awéwé. Cindekna, Alloh
ngalaknat saha baé anu nyambung ram-
butna.
Patarosan salajengna, nyukur buuk
ku lain jinis. Dina hal ieu aya sababaraha
nu kedah diperhatikeun: (1) Lalaki anu
motongna (nyukurna) kaasup lalaki
muhrim, nyaéta hubungan anu aya
patalina sareng turunan, atanapi jalma-
jalma anu haram dinikah. Jalma-jalma
anu kaasup muhrim sakumaha anu di-
unggelkeun dina al-Quran Surat al-Nisa:
23.
Nurutkeun katerangan ti Ibnu Abbas
r.a sareng ulama tafsir lianna, yén aya hiji
lalaki asup ka hiji kulawarga anu aya
awéwé geulis bari lunga-lengo di hareupe-
unana. Nalika kulawarga awéwé mer-
hatikeun éta lalaki, manéhna nahan
paningalina. Tapi nalika kulawarga
awéwé henteu merhatikeun éta lalaki,
terus manéhna ngarérét ka éta awéwé.
Terus nalika kulawarga awéwé mer-
hatikeun deui ka éta lalaki, manéhna
nahan deui paningalina. Tapi nalika ku-
lawarga awéwé henteu merhatikeun éta
lalaki, terus manéhna ngarérét deui ka éta
awéwé, kitu saterusna. Cindekna, pa-
gawéan kitu kalebet hianat, nyaéta sok
maling paningalina kana perkara anu teu
dimeunangkeun.
Hadits séjénna, anu diriwayatkeun ku
Imam al-Thabrani ti Ma'qil bin Yasar RA.,
Rasululloh SAW ngadawuh: "Saupama
sirah salasaurang di antara maranéh
kabéh ditojos ku jarum beusi, mangka
leuwih hadé tinimbang paantel jeung
awéwé anu henteu halal pikeun
manéhanana". Pidawuh Rasul sanésna:
"Kadua panon bisa ngalakukeun zina,
kadua leungeun bisa ngalakukeun zina,
kadua suku bisa ngalakukeun zina, jeung
sakabéhna bakal ditangtukeun ku
laranganana." (HR. Imam Bukhari Mus-
lim). Sakitu, mudah-mudahan aya mang-
paatna. Wallohu ‘alam.***
Nyambungkeun Buuk
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
18.
19. Manglé 246718
CCaritaPondok
B
aheula keur
budak, basa
keur sakola
di Sakola
Dasar, asa
mindeng
pisan dicarékan ku guru
téh. Meus-meus kudu nga-
hadep ka kantor. Guru téh
haben waé nyalukan ku-
ring, kawas euweuh deui
pagawéan. Kalakuan nu teu
pira gé jigana téh pusingna
alahbatan nyanghareupan
nanahaon. Kawasna téh
sakur nu dipilampah ku
kuring sabatur-batursalah
kabéh, teu bener kabéh.
Dianggap teu parok
jeung kaumuman, dianggap
ngabahayakeun, dianggap
nyimpang, nu tungtungna
mah dianggap berpotensi
ngaganggu stabilitas kaa-
manan nagara.
Leuheung basa lamun
nu nyarékan téh guru
awéwé, ukur semet gegelen-
deng. Ninggang di guru
lalaki, haok polotot mah di-
anggap céték atuh. Nyeprét
maké nyéré, murilitkeun
ceuli, ngagampleng nyabok,
atawa najong budak bangor
gé lumrah harita mah, da
can usum HAM téa kapan.
Boa can aya kelemeng-kele-
mengna acan bakal aya
Komisi Perlindungan Anak
cara kiwari.
Jenderal
Carpon A. Budiman
20. 19Manglé 2467
Ari kuring sabatur-batur
harita, tara bet ngarasa yén
kalakuan téh bakal musing-
keun guru. Rarasaan mah
lumrah wé jeung batur heu-
reuy téh. Pedah éta nakolan
méja, wajar waé atuh,
itung-itung hiburan bari
nunggguan guru nu datang-
na leuir. Atuh dina bangor
sautak-saeutik, lumrah da
ngaranna gé budak.
Maenya saréngkak sapari-
polah kudu disaruakeun
jeung kolot onaman mah.
Kiwari dina posisi ku-
ring anu sabalikna. Saban
poé panggih jeung nu nga-
ranna murid. Teu sirikna
saban usik pagilinggisik
jeung murid, lain omong
bohong éta téh. Ganti taun
pelajaran ganti murid. Nu
heubeul lulus jebul nu
anyar. Tara mulus kabéh,
kudu waé aya di antarana
budak nu rada anéh panga-
datanna atawa pamolahna.
Boh kapanggih ari keur
ngajar di jero kelas boh
dina lolongkrang waktu isti-
rahat. Najan teu loba ge,
ukur sababaraha hulu,
tétéla matak musingkeun.
Ari teu dipikiran da puguh
kawajiban, keukeuh kudu
dipikiran. Maenya diantep
disakarepnakeun. Matak
disakolakeun gé meureun
kolotna téh nitipkeun ka
kuring, ka guruna,ménta
pangwarahkeun. Tapi
nyaéta téa atuh hayang
nénjo murid cageur bageur
téh tétéla teu gampang.
Naon anu karandapan
ku guru kuring baheula bisa
jadi karandapan ku kuring
ayeuna. Pusingna jeung
keuheulna kaalaman ku so-
rangan. Sakapeung mah
sok nepi ka asa aral nyang-
hareupan murid bangor
téh. Dipapatahan mah dipa-
patahan tapi asa euweuh
tapakna. Asup tina ceuli
kénca kaluar tina ceuli
katuhu téh lain omong bo-
hong. Dileuleuyan lain di-
kerasan lain. Kawas nu nga-
haja ngeupanan pinapsu
eun bebenjit téh. Ari geus
nemen-nemen teuing mah
asa hayang sagelepok-gele-
pokkeun nyabok. Ngan nya-
kitu téa apan jaman ayeuna
mah picilakaeun guru ham-
pang leungeun téh. Lamun
teu bisa meper amarah
moal henteu bakal aya be-
rita “seorang guru dibawa
ke kantor polisi karena
melakukan kekerasan fisik”.
Inget ka palebah dinya mah
ukur bisa ngurut dada bari
neureuyan kasumpeg.
Ngan tina rasa jengkél
téh kadang sok napakuran
manéh. Sok ngagerentes
dina haté, ieu meureun nu
disebut kawalat téh. Da
lamun seug guru-guru ku-
ring arapaleun kumaha
pusing kuring ayeuna dina
nyanghareupan kalakuan
murid bangor, mana teuing
aranjeunna ngagumujeng-
keun bari mupuas pedah
baheula kuring sok tara ru-
masa. Enya lamun diinget-
inget, dirarasakeun, tuluy
disawang ngagunakeun
pikiran kuring mangsa ki-
wari tétéla kalakuan kuring
baheula, basa keur sakola
téa, réa nu kudu diasup-
keun kana kolom bangor.
Lamun inget kana kala-
kuan kuring basa keur sa-
kola, patingkolébat deui
tangtungan guru-guru ku-
ring, pangpangna mah
guru-guru keur jaman di
SD. Lamun wasa mah ha-
yang ngaberengbeng harita
kénéh, ngadeuheusan jal-
ma-jalma nu geus kariri-
puhan ku kuring. Rék
ménta dihampura. Rék
ngarawu dampal pana-
nganna tuluy nyarita ‘ru-
maos kapungkur abdi
bangor’. Bari ngalémbéréh
cimata ngumbar karumasa-
an gé matak naon. Rumasa
baheula geus nyusahkeun
aranjeunna. Mudah-muda-
han guru-guru kuring sing
dipanjangkeun yuswa,
digampilkeun rijki, dipasi-
han kabagjaan salalawasna.
Atuh guru-guru kuring nu
anu parantos taya dikieuna
singdipasihan tempat pang-
saé-saéna ingdalem kubur.
Muga-muga kasabaranana
dina nyanghareupan ka-
bangoran kuring singjanten
amal kasaéan kanggo aran-
jeunna. Amin.
Baréto, dina alam piki-
ran budak, cek pangrasa
kalakuan téh asa teu mincu-
lak-minculak teuing. Naon
carékeunana geura pira
nérékél kana tangkal kalapa
tukangeun sakola, rék ngala
duwegan pédah hanaang,
kuat ka dicarékan. Nunda
kapur dina érang-érangan
pangluhurna, melakkeun
buruy dina bak WC, ma-
mawa anak ucing ka jero
kelas, peperangan maké
bedil peletok…dicarékan.
Geus puguh teu nyieun pé-
érmah, sok distrap dititah
nangtung maké suku sa-
beulah. Ngajengjen waé
salila-lila cara bango keur
ngadodoho lauk. Bari
leungeun kénca ngajiwir
ceuli katuhu atawa saba-
likna leungeun katuhu nga-
jiwir ceuli kénca. Atuh
ronghok budak kelas dua,
nu asupna rada beurang,
ngarogrog tina jandéla,
ngalalajoan. Leuh wirangna
lain caritakeuneun.
Komo basa kuring jeung
Si Duloh ngasupkeun bang-
kong kana jero pamupus
bor mah, meunang sami-
nggu boa dicarékanana gé.
Harita mah pamupus bor
téh dijieunna tina lalamak-
an, dikaput sisi-sisina, pasa-
gi opat. Jerona didedetan
kapuk atawa kaén perca
nepi ka melendung siga
kupat. Ari ieu ku kuring
jeung ku Si Duloh kapukna
dikaluarkeun, sup waé
bangkong meunang néwak
ti pipir sakola. Tuluy di-
tunda luhureun méja Si
Saénah. Sugan téhrék nu
boga méja nu bakal nyokot
pamupus téh, pék téh… Ibu
Emah, guru agama.
Gogoakanana ogé mani
kadéngé ka alas peuntas
boa ibu guru téh. Reuwas
jeung gila meureun nyampa
nu geunyal dina jero pamu-
pus.
Ngan “hadéna” najan
kuring mindeng jadi biang
kérokna gé, guru téh ka
kuring mah tara daékkeun
nyalukan sosoranganan.
Kudu waé dibaturan ku
murid séjén, babaturan
kuring. Bangun nu karara-
gok guru téh. Mikir dua kali
meureun palebah kudu
nyarékan kuring mah.
Ngaragangan nu diuk di
ruang bapa kapala sakola,
bapa kuring. Bisa jadi ala-
tan kalungguhan bapa ku-
ring, kalakuan mahiwal téh
tambah maceuh.
Pa Maman waé, nu
katelah guru panggalakna
saalam SD Dadiharja IV, ka
kuring mah tara pati wani-
eun nyarékan cara ka nu
séjén. Iwal, lamun kuring
keur lobaan.
Inget kénéh harita téh
kuring keur anteng najong-
an bal buliter di gigireun
kelas, pedah teu aya guru.
Disénterkeun kana témbok
bari diémprakan ku Si
Waslim. Naha da éta mah
Pa Maman norojol ti kelas
pangujungna. Pameunteu-
na euceuy bari kekerot
ngagedig muru. Kuring
geumpeur nénjo nu ngagu-
gudug téh. Bal buliter lalau-
nan ditokér, digorolong
keun ka deukeut suku Si
Waslim. Enya waé ari
datang ari gantawang téh
nyarékan.
“Euweuh deui kaulinan
séjén siaaah…!” cenah mani
tipupuncereng. Maksudna
21. Manglé 246720
mah nyarékan ka nu najo-
ngan bal tapi ari panonna
mah molotot ka Si Waslim.
Si Waslim kasima, beung-
eutna sepa euweuh getihan.
“Ténjo ku manéh tém-
bok jadi kalalotor!”
“Eu… eu….”
“Ulah aa eueu… siah!”
“Da… da…”
“Montong dudu dada
siaaah!” Pa Maman awong-
awongan bari curukna
ngacir nunjuk bal buliter nu
ngagolér deukeut suku Si
Waslim. Si Waslim sawan,
béak beresih dicarékan ku
Pa Maman. Awakna
ngadaregdeg awahing ku
sieun.
“Awas siah méméh balik
beresihan!” cek Pa Maman
sanggeus seubeuh nyarékan
Si Waslim. Léos ka jero
kelas deui. Palias ka kuring
mah teu ngarérét-rérét
acan. Si Waslim ngajengjen.
Rét kana témbok tuluy
ceuleumeut nénjo témbok
nu jareblog tapak bal bu-
liter, baruleud totol-totol.
Teu lila katémbong Si
Waslim ngarénghap ba-
ngun anu longsong. Panga-
cianana kumpul deui. Gék
diuk bangun anu ramoh-
poy. Disampeurkeun ku
kuring téh ngabalieus
dibarung ku biwirna
jamotrot.
Ari poé Saptu, kagiatan
pramuka, leuuuh… resepna
teu kira-kira. Maké baju
pramuka, maké barét diém-
bliman, maké kacu, maké
kaos kaki hideung nu aya
gambar kitrian, sapatuna ti-
tania hideung. Tali piriwit
nyampay dina taktak. Tam-
bang bodas meunang ngag-
ulung-gulung digantung
keun dina cangkéng kénca.
Cangkéng katuhu nyolé-
gréng péso balati nu teu
teurak kana tahu-tahu
acan. Asa jadi Jénderal téh
lain omong bohong. Pang-
gagahna kuring mah da
batur mah teu barogaeun,
teu lengkep jiga kuring
pakéanana.
Komo sanggeus nga-
déngékeun Pa Rasji, dina
Pelajaran Sejarah Perjuang-
an Bangsa, ngadongéng-
keun lalakon perjuang
Jénderal Soédirman, asa
kuring nu digogotong dina
tandu téh. Asa kuring nu
mingpin pertempuran di
Ambarawa. Asa heueuh
ngalaman sorangan hirup
dina alam perjoangan
kamerdékaan. Ku pinter-
pinterna Pa Rasji nga-
dongéng harita, dina jero
dada kuring ngagedur rasa
tanggung jawab pikeun
ngusir penjajah. Hayang
jelegér-jelegér waé ném-
bakkan tentara Walanda nu
cenah jarangkung gedé
jeung kulitna barulé. Lah
teuing atuh da ka Kang
Dastam urang Babakan, nu
kulitna bulé péedah kasakit
albino, ngadadak ceuceub
kuring téh. Hayang jelegér-
jelegér waé némbak Kang
Dastam!
Lamun kiwari mah
meureun disebutna téh
“terinspirasi” ku lalakon nu
dicaritakeun ku Pa Rasji, ti
saprak harita kuring ngaje-
nengkeun manéh jadi jén-
deral. Barét pramuka nu
diémbliman téa, dipapaké
unggal poé. Babaturan
kabéh kudu nyebut jénderal
ka kuring. Nu teu nyebut
jénderal ulah wani ngaku-
ngaku babaturan kuring.
Nu embung nyebut jénderal
ka kuring ta lain ta bukan…
Walandaaa… nu kudu di-
tumpes ti bumi Pertiwi!
Jeung deuina téh babat-
uran landes mah narurut
pisan ka kuring. Di sakola,
di masigit, di pangulinan
nyarebut jénderal ka ku-
ring. Minangka tumari-
mana kuring méré pangkat
kopral ka maranéhanana:
Kopral Waslim, Kopral
Encon, Kopral Duloh, jeung
Kopral Acim. Leuh…
katémbong barungaheun
dipangkatan kopral ku ku-
ring téh. Komo basa nempo
tulisan dina kertas urut jilid
buku tulis, warna biru,
mérk lécésmah: WASLIM
sebagai KOPRAL, ENCON
sebagai KOPRAL…. Tulisan
kuring nu ngahaja diukir
galaledé maké spidol per-
manén. Nurutan tulisan
dina piagam nu sok dibawa
ku bapa ari tos balik pena-
taran. Dibagi hiji séwang
bari jeung teu poho diomat-
omatan kudu tarapti nyim-
penna. Leuh, lamun seug
usum laminating cara
jaman kiwari moal henteu
bakal dilaminating tah bis-
luit téh. Saprak harita nu
ngaranna ulin peperangan
jadi mindeng. Nepi ka
kungsi Pa Narya, kuwu
manten, amuk-amukan
pedah tangkal cau am-
bonna, nu kakara rék bijil
jantung, nyesa sagedé geu-
lang leungeun. Palapahna
haben waé dialaan unggal
poé dipaké bebedilan.
Bosen nyieunan bedil
tina palapah tanggal cau,
ganti kana bedil peletok.
Dijieunna tina pepeletan
awi sajeungkal. Pélorna tina
kertas baseuh meunang
ngeueuman, dibuleud-
buleud sagedé-gedé kacang
héjo. Sup waé pélor téh dia-
supkeun kana jero pepele-
tan tuluy didorong ku awi
nu meunang ngarautan,
sagedé nyéré kawung.
Didedetkeun sakaligus
nepi ka pélor kertas nu dia-
supkeun tiheula nyerem-
peng bijil dibarengan ku
sora ngabeletok. Najan teu
ngabahayakeun gé tetep
waé lamun keuna kana kulit
mah bakal karasa peureus
pélor kertas téh.
Sakapeung ari keur ulin
peperangan kitu téh sok
lieur ngatur babaturan.
Saréréa hayang jadi balad
kuring, hayang jadi pe-
juang, hayang jadi tentara
Indonésia, euweuh nu daék
jadi tentara Walanda.
Ka sakola gé dibabawa
bedil peletok téh, da jadi
usum. Nu kasebut budak
lalaki mah jigana téh kabéh
barogaeun. Atuh nu nga-
ranna perang jeung kelas
sahandapeun atawa jeung
kelas saluhureun jadi pa-
gawéan matuh méméh
asup sakola. Ditumbu deui
waktu istirahat nepi ka
kadéngé lonceng kudu asup
deui ka kelas. Balik sakola,
di jalan, geus silih bedil
deui waé.
“Jéndral, tadi basa uing
balik sakola dipegat ku
Jang Ukon,” ceuk Si Acim
basa ngariung memeh
ngaji, “awak uing dihompét
tuluy ditémbakan.”
“Sarua uing gépoé ka-
mari basa balik sorangan
dipegat. Tah, ténjo… ih,
geus leungit ayeuna mah.
Pokona mah kamari mah
awak uing baréntol.” cek Si
Duloh.
“Komo uing… komo
uing….” cek nu séjén mani
raong. Kuring ngahuleng
nampa laporan ti anak
buah kitu téh. Lain teu apal
saenyana mah anak buah
kuring dibeunangkeun ku
Jang Ukon téh. Ngan, ari
kudu ngalawan Jang Ukon
mah rumasa teu untupan.
Gimir ku tangtunganana.
Awakna waé méh sarua
jeung Pa Maman. Rék kitu
CCaritaPondok
22. 21Manglé 2467
pantes da Jang Ukon mah
ngendogna gé aya kana tilu
kalian. Ongkoh batur sake-
las Jang Ukon téh, tapi ka
babaturan sakelas teleng-
esna teu katulungan.
Meureun pedah ngarasa
manéhna mah panglilana
sakola matak ngajago gé.
Jarangaya nu daékeun ma-
turan da telenges téa.Ari
bagian pelajaran Maté-
matika mindeng leungit.
Nyaho saréréa gé Jang
Ukon gadon nyumput,
ningkreb manéh dina WC
bangkar tukangeun sakola.
Ngan euweuh nu wani
ngalaporkeun.Uyuhan
batur mah tara aya nu
daékeun laha-loho ka WC
tukangeun sakola. Tara di-
paké WC tukangeun sakola
mah, hara-haraeun loba ju-
rigan. Ngan tayohna téh
pikeun Jang Ukon mah
leuwih sieun kénéh ku Pa
Purman, guru Matématika,
tibatan ku jurig mah. Pada-
hal apal pisan Jang Ukon
téh budak pangborangan-
boranganana. Pangpangna
mah ku pocong.
“Isukan indit ka sakola
isuk-isuk pisan,” cek kuring
méré komando, “lamun
bisa mah tos solat subuh
langsung indit!”
“Rék naon kitu, Jén-
deral?” Si Waslim nanya.
Nu séjén panasaran.
“Isukan waé di sakola
dijelaskeun. Pokona datang
ka sakola kudu isuk kénéh
pisan!” cek kuring tandes.
Tuluy babagi tugas naon
waé nu kudu dibawa poé
isukan. Isukanana, Rebun-
rebun anjog ka sakola téh
geus nyampak anak buah,
patingjarentul hareupeun
gerbang sakola.
“Hayu!” cek kuring.
Barudak teu réa tatanya,
bring naluturkeun. Ko-
réléng ka pipireun sakola,
bras ka sawah nu paréna
keur mimiti beukah.
“Tugas manéeh, Loh,
kana kotakan. Cokot bebe-
gig sawah!” cek kuring
maréntah Si Duloh, “nu
leutik wé ngarah teu
gagarubang. Tuh, nu itu!”
Nu dititah teu baha,
tuluy ngasruk ka tengah ko-
takan nyokot bebegig
sapanuduhan kuring.
“Jénderal, urang téh pe-
juang atawa tukang maling
bebegig?” cek Si Duloh bari
ngasongkeun bebegig
sawah.
“Hih, pejuang… ngan
keur nyamar.” témbal ku-
ring tandes, “gandéeng tong
loba ngomong bisi kadéngé
eun ku mata-mata!”
Di pipireun sakola,
deukeut WC, kuring
sabatur-batur ngaropéa be-
begig. Awakna dibulen deui
maké mukena urut. Blég
waé pocong. Tuluy digan-
tungkeun di jero WC.
Dibebener sangkan bisa
nyorosod otomatis lamun
aya nu asup ka jero WC.
Sanggeus bérés, patingla-
leos ka kelas nyampeur-
keun babaturan séjén nu
mimiti jul-jol. Arulin waé
sabiasana nepi ka kadéngé
sora beusi pélek treuk, nu
ngagantung di hareupeun
kantor, ditakol ku Mang
Sarim pangebon.
Bener waé basa Pa Pur-
man rentang-rentang rék
asup ka kelas, sakilat Jang
Ukon ngaléos. Kuring silih
rérét jeung babaturan, silih-
kiceupan. Kakara gé Pa
Purman rék ngabsén
kadéngé aya nu gogowakan
ti palebah WC bangkar..
Guru jeung murid pa-
tingtorojol ti unggal kelas
bari silih tanya aya naon
aya naon. Bereyek muru
WC bangkar. Kuring sa-
balad-balad teu kaba-
wakeun ukur silihrérét.Teu
lila katempo Jang Ukon
padamayang ka kantor.
Tukangeunana,Mang Sarim
pangebon, mamawa bebe-
gig diabring-abring ku
barudak sakola. Ruksak
waéh pelajaran kahiji mah
teu dialajar.
Ceuk rarasaan mah asa
tarapti pamolah téh. Asa
moal aya nu nganyahoan-
keun. Ngan teuing saha nu
ngalaporkeunana da basa
kuring balik ti cai, babatu-
ran kuring nu opatan teu
kasampak. Meunang béja
cenah dicalukan ku bapa
kapala. Reuwas waé ti dinya
mah. Sieun pacampur
jeung panasaran. Antukna
mah kuring lah-lahan
ngeteyep asup ka ruangan
perpustakaan. Tuluy noong
tina sela-sela papan nu jadi
pamenggel perpustakaan
jeung ruang kapala sakola.
Katempo batur kuring nu
opatan malelenguk keur
disidang ku bapa kapala.
Raray bapa kapala nga-
geunteu awahing ku ambek
tayohna mah. Pananganana
jiga nu ngeleper titingalian
téh. Hayang sagelepok-
gelepokkeun waé meureun
ka bebenjit tukang nyieun
masalah téh.
“Kitu kalakuan téh
karep sorangan atawa aya
nu nitah?” cek bapa kapala
bari ngarenghap jero ba-
ngun nu keur nahan ama-
rah.
“Pok ngomong!” Sorana
mimiti bedas pedah nu
opatan ngadon ngabare-
tem.
“A… aya nu miwarang.”
cek Si Acim arapap-eureup-
eup. Kuring ngalenyap
ngadéngé jawaban Si Acim..
“Dititah ku saha? Pok
nyarita, dititah ku saha?”
Panonna seukeut mencrong
ka nu opatan.
“Ku… ku Jénderal, Pa,”
cek Si Acim rampang-
reumpeung, beungeutna
pias. Kuring beuki péot.
“Ku jénderal?” cek bapa
kapala ditungtungan ku
ngahuleng.
“Euh… éta… eu… ku
Ujang Endang maksad téh.”
“Ujang Endang?Dititah
ku Si Ujang?”
Nu opatan unggeuk.
Bapa kapala ngahuleng
deui bangun aya nu keur
dipikiran. Teu lila rét deui
ka nu tiluan. Pok nanya
deui bari unggut-unggutan.
Rada laun ayeuna mah
nyaritana téh. “Si Ujang téh
jénderal nya? Ari maranéh
pangkatna naon?”
“Kopral, Pa.”cek nu
opatan méeh bareng.
“Euh, percumah atuh
ngomong jeung kopralna
mah.” cek bapa kapala bari
ngadayagdag kana pan-
yarandéan korsi, biwirna
semu kendu, “engké,
méméh balik sakola, jén-
deral silaing kudu nga-
hadep ka bapa! Béjakeun…
Jénderal Besar nyalukan
kituh!”
“Siap, Pa!” cek nu
opatan méh bareng.Si
Duloh mah nyebut siapna
téh bari jeung sikap sem-
purna sagala dibarung
ngangkat leungeun, posisi
ngahormat. Bapa kapala
ngabalieus dihormat ku Si
Duloh téh, biwirna kaciri-
tipepereket nahan
piseurieun.
Dina panyumputan ku-
ring paranas tiris ngaba-
yangkeun kajadian nu bakal
tumiba.
Apal pisan tabéatna,
najan sapopoé tara loba
nyarita gé arikeur ngam-
beknamah sok jiga nu
kausapjurig Jénderal Besar
téh….
***
23. Manglé 246722
B
alik ti
masigit
ba’da Isya,
Artasim
dipegat ku
lalaki
opatan nu maraké baju
saragam, lengkep jeung
atributna. Teu amit teu
sing Artasim diringkus,
leungeunna diborogod, di-
parékoskeun ka beulah
tukang. Tuluy diséréd di-
taékkeun kana mobil ku-
rung nu ngajugrug di
dinya.
“Bapa…!” gorowok
Rasid, anakna nu kakara
tujuh taun bari ngagabrug
ka Artasim. Leungunna
tipepereket nangkeup ba-
pana nu keur digugulung
ku éta jalma.
“Dasar bebenyit!” ceuk
hiji lalaki ti nu opatan téa.
Rasid didudut, awakna di-
sungkrukkeun kana susu-
kan hareupeun masigit.
“Uih Jang ka Ema, gan-
cang!” Ceuk Artasim noong
tina jandéla mobil.
Mobil ngageuleuyeung
lalaunan ninggalkeun lem-
burna, Cilawu. Panon Ar-
tasim beueus inget kana
nasib. Kudu anggang jeung
Rasid anak hiji-hijina,
sarta Dedeh pamajikan nu
pangsabarna.
Mobil ngaleungit na
tungtung péngkolan. Rasid
ngahinghing tuluy gancang
balik ka Indungna.
“Ema.. Ema..!” gorowok
Rasid. Awakna ngalongsér,
ceurikna beuki tarik.
Ti jero imah, sora
palupuh tingrarekét.
Kulutrak! sada tulak
dibuka.
“Astagfirulloh.. ku naon
Cu? Kunaon? Nyarita ka
Ema!” Indungna hari-
weusweus tuluy ngagabrug
anakna nu gagauran di
tepas.
Ti kajauhan hawar-
hawar kadéngé sora
léngkah aleutan jalma.
Beuki lila beuki atra. Rasid
beuki muntel ka Indungna.
Nyumput dina mukena nu
can kaburu dilésotkeun ku
Indungna.
“Emin! Gancang
tinggalkeun Cilawu ayeuna
kénéh! Teu sudi Aing hirup
jeung pamajikan PKI!”
ceuk jalma nu geus ngaliud
hareupeun imahna.
***
Barang srog ka penjara,
Artasim diiringkeun ka ro-
hangan pamariksaan.
Manéhna diinterogasi ku
opat urang pulisi bari cin-
gogo luhureun téhel.
“Sia PKI héh?”
CCaritaPondok
Kutan Kitu
Carpon Tatang Zaélani Tirtawijaya
24. 23Manglé 2467
Artasim gideug. Jele-
bot..! Sapatu kulit neueul
kana beungeutna. Artasim
tijengkang, nyangsaya dina
témbok rohangan.
“Lihat, témbokna kotor
ku getih si babi!” ceuk nu
séjénna. Nu keur nangtung
mureleng, kop kana po-
pongkol. Habek! Artasim
dipeupeuh. Koloyong,
gubrag. Artasim teu éling.
Kira-kira jam satengah
genep isuk, Artasim diban-
jur. Manéhna ngoréjat.
Awakna karasa lalinu
jeung pareurih, sirahna
beurat, sarta tikorona
karasa hanaang.
“Hudang siah!” ceuk
penjaga nu tadi peuting
ngainterogasi manéhna.
Sungutna méh adek kana
beungeut Artasim. Artasim
dijéwang, tuluy didiukkeun
dina korsi beusi bari
angger diborogod.
“Jawab nu bener! Sia
anggota PKI?” Bari
nyenyekel setruman, éta
pulisi keukeuh nanya nu
sarua ka Artasim.
“Kami mah patani
biasa. Iwal peuting sok
ngawuruk barudak ngaji,”
témbal Artasim.
“Ngaku siah babi!” ceuk
éta pulisi bari ngantelkeun
setruman kana awak Ar-
tasim. Artasim ngeleper.
Awakna leuleus teu
walakaya.
Artasim tetep teu ngaku
nu lain akueunana.
“Meunggeus… meung-
geus. Hayang ngasaan
dikieukeun meureun,”
ceuk pulisi nu hiji deui bari
ngulang-ngulangkeun
gégépna. “Sakali deui,
jawab nu balég! Sia PKI
hah?”
“Demi Alloh, Demi Ro-
sululloh kuring lain PKI!”
témbalna arapap-eureup-
eup.
“Rangkét cokorna!”
Sukuna dirangkét. Artasim
sumerah, teu bisa
kukumaha deui. Gégépna
dicakopkeun kana kuku in-
dung sukuna. Kukuna
mimiti pakpolonyon lésot,
dibarengan getih hanyir nu
ngabayabah kana sela-sela
sukuna. Ceurik Artasim
pagalo jeung gorowokna
ménta kaadilan Nu
Kawasa.
“AllohuAkbar…!”
“Rék ngaku moal siah
babi?”
Artasim gideug bari
beueus cimataan. Gégép
geus nyakop deui dina
kuku satuluyna.
“Antep heula. Sugan ké
deui mah robah pamiki-
ranana,” ceuk koman-
danna.
Artasim diiringkeun
deui ka jero sél. Manéhna
disuntrungkeun ka juru
sél. Keur kitu, hiji pamuda
ujug-ujug ngagabrug
nangkeup manéhna. Ar-
tasim kerung teu ngarti.
“Punten, ari Akang téh
saha?”
Nu ngagabrug teu ném-
balan. Kalah beuki
pepereket nangkeup.
“Hapunten kuring
Kang.. Ieu kalepatan ku-
ring!” ceuk éta lalaki. Ar-
tasim beuki teu ngarti.
“Saha ilaing téh saben-
erna?” bari angger nyuuh
kana lahunan Artasim.
Si lalaki pok némbalan,
“Kuring Nanang Kang.
Murid Akang nuju di pon-
dok.”
Artasim curinghak.
“Nanang?”
Éta lalaki nuluykeun
deui caritaanana,” Kang,
tos wé turutan kahayang
maranéhna. Lamun teu
kitu, Akang moal salamet,
bakal terus disiksa kawas
kieu Kang,”
“Na ti mana ilaing
nyaho mun kuring ngaku
PKI, kuring bakal
dibébaskeun tina siksaan?”
“Kuring jeung nu geus
tiheula di dieu, kabéhan-
ana sarua siga Akang, Di-
paksa ngaku anggota PKI.
Nu ahirna kuring kapaksa
api-api ngaku.”
Artasim hookkeun
ngadéngé lalaki nu keur
nyarita hareupeunana. Pok
deui manéhna nanya,
“Lamun Kuring ngaku
anggota PKI, tangtu bakal
ditanya saha deui anggota
nu lianna, kapan Kuring
mah teu apal?”
Bari angger nyuuh, éta
lalaki ngahinghing ceurik,
“Ampun Kang, éta
kalepatan Kuring. Teu ka-
haja ngaran Akang
kakedalkeun ku Kuring
harita,”
Artasim ngarénjag, teu
percaya jalma nu geus mit-
nah manéhna aya di ha-
reupeun matana. “Haling
siah! Tukang mitnah mah
di ditu ngajedogna, di
dasar naraka! Teu sudi
Aing kudu ngaku cara sia,
siga jalma-jalma nu geus ti
heula di dieu. Marunapék
kabéh!”
Ambekan Artasim
beuki kerep. Hawa beuki
ngelekeb. Manéhna ngé-
sod, ngajauhan éta lalaki.
“Geuning kieu Gusti
manusa jaman ayeuna
mah. Silih tuduh ka jalma
nu teu boga dosa. Naha teu
malikir kumaha anak incu
aing jaga? Deudeuh teuing
anaking, ilaing moal bisa
sakola, moal bisa nyiar
élmu, pédah nelah turunan
PKI!”
Artasim ngeluk tuluy
sumegruk inget ka Rasid,
jeung pamajikanana nu
teuing keur naon jeung di
mana boa.
Di luar, sora sapatu
kadéngé tinggalasruk kana
téhel. Aya kana dua, atawa
tiluna. Rarasaan Artasim
geus béda. “Pasti nuluy-
keun nu tadi peuting.” ceuk
manéhna jero pikir.
Enya baé. Éta penjaga
areureun hareupeun pisan
panto sélna.
“Nangtung siah, babi!”
Artasim teu ngawaro.
Manéhna api-api teu
ngadéngé. Artasim di-
jéwang tuluy diséréd ka
luar.
“Kang, omat Kang. Sing
émut pesen Kuring …!”
Nanang ngagorowok.
Artasim teu nolih.
Nanang ngudupruk.
Ngarasa dosa geus ngaruk-
sak kahirupanna anak incu
Artasim.
Dor.. dor..dor…! Sora
bedil disada. Nanang
ngagoak, nyuuh kana kar-
dus alas saréna. “Akang…
naha atuh Akang teu nurut
kana omomongan Ku-
ring…!”
Sabot kitu, di luar sél
kadéngé sora jalma-jalma
sarurak. Barang manéhna
cengkat, panto sélna geus
muka. Teu kungsi mikir
heula, Nanang ngaberebet
muru rohangan interogasi.
“Ka mana. Ka mana
Kang Artasim?” ceuk
manéhna waktu nempo di
éta rohangan euweuh
sasaha.
Rét kana téhel,
“Akaaaang….!” Manéhna
ngajerit nempo getih nu
ngabayabah.
Manéhna lumpat deui
muru ka rohangan kantor.
Di jero kantor, sarua waé
euweuh sasaha. Malah pa-
balatak ku barang-barang
siga urut aya kaributan.
Rét Nanang kana almanak
nu ngagantung. 21 Mei
1998.***
Gegerkalong Gi-
rang, Januari 2014
25. N
epi ka cetuk
huis kieu, asa
can pernah
ningali atawa
ngadéngé aya
jelema nu paéh hirup deui.
Asana téh ari nu geus diru-
ang dina jero taneuh mah
nya kitu waé, buruk tuluy
jadi tulang. Atawa meureun
mun hirup ogé nya nu kaba-
yang téh, nunggeulis sora-
ngan di jero kubur, da tang
tu geus béda alam jeung nu
di dunya mah. Nu paéh mah
cicing di alam kubur nepi ka
waktuna nu ditangtukeun
ku Pangéran, moal bisa ilu-
biung jeung jalma nu hirup.
Osok kétang ari ngadé-
ngé béja mah, aya nu balik
deui lantaran mati suri, nu
keur dimandian hudang
deui, nu diléngkahan ucing
hudang deui, nu maotna teu
sampurna tuluy jadi ririwa.
Malah aya cenah nu rék dia-
supkeun kana liang kubur
ujug-ujug ngoréjat. Tapi da
éta mah ukur béja.
Ari di lembur mah sok
gujrud ku ririwa, jalma nu
paéh teu sampurna tuluy
ngaririwaan ka unggal jalma
nu teu nyampurnakeun
manéhna atawa nu aya
kabeungbeurat di dunyana.
Cenah éta ogé, da nya éta
kuring mah can pernah
nyaksian. Nu ningali kunti,
pocong, kélong, buta, jeung
sajabana. Éta kabéh ukur
béja nu pabéja-béja.
Tapi da enya ari kituna
mah, basa Juragan Haji
Karta maot, lantaran nya
keuna ku kakolotan.
Éta mah peuting kahiji
lembur nu sakituna gedéna
téh ngadadak réhé combrék.
Barudak pamuda nu biasa
gigitaran di pos ronda atawa
di buruan ogé ngadadak
ngarampih di imahna sé-
wang-séwangan.
Ari kuring mah najan
imah almarhum Haji Karta
anggang ogé, teu burung di-
jugjug. Bubuhan Haji Karta
téh babaturan sapangulinan
kuring baheula. Ngan ari
kadieunakeun béda milikna.
Karta mah usahana hasil,
atuh ayeuna ogé hartana
lubak-libuk bro di juru bro
di panto téh lain bohong.
Ari kuring mah nya siger
tengah, najan henteu kaku-
rangan ogé tapi alhamdulil-
lah nyukupan.
Ari di lembur, sok aya
waé pisirikeunana téh, lain
waé di lembur kétang, di
mana-mana ogé jalma sirik
mah sok aya. Haji Karta nu
hartana lubak-libuk diga-
rosipkeun munjung, muja
ka dedemit, jeung sajabana.
Ari kana béja teu bener,
bangun babari narekabna
téh. Ti keur jumeneng
kénéh geus digosipkeunana
téh. Tapi Haji Karta mah teu
pati marile. Ngan kulawar-
gana waé nu rada saréwot
teh.
Haji Karta tina béréhan
jadi medit, kitu cenah nu
basana téh. Da enya cenah
nu munjung mah sok korét
kana barangbéré. Dina
sakalieun barang-béréna
ogé ulah ditampa, da saha-
saha nu ngadahar rijki jalma
munjung bari teu kaluar
késang, engkéna bakal jadi
wadal. Padahal kuring mah
nyaho, ti saprak digosip-
keun munjung Haji Karta
téh tara aya nu narima mun
sedekahna. Kulantaran kitu,
tungtungna sedekahna
susulumputan bro-broan ka
masjid atawa osok ogé ka
lembur séjén.
Basa dikaruat mah,
waktu ngali kuburan. Geus
cus-ces béja di ditu-di dieu
yén percuma cenah ngali
kuburan ogé, da ari nu
munjung layonna ogé moal
ditarima ku bumi, moal di-
tarima ku langit. Bakal jadi
ririwa. Mayitna kudu di-
palidkeun ka wahangan
jeung harta-hartana.
Haji Karta di karuatna
biasa-biasa, euweuh kaja-
dian nanaon. Kumaha waé
ilaharna nu maot. Waktu
keur nguburna euweuh hal-
hal nu ganjil, éstu lungsur-
langsar. Bérés ngaruat, tuluy
waé Ustad Basir ngawawar-
keun yén engké peuting
baris aya tahlilan di imah nu
kapapaitan. Geus ilahar
peuting, da lamun tahlilan
beurang mah urang lembur
jarang di imah, keur barang
gawé, boh di sawah boh di
kebon.
Bada magrib, samémeh
indit tahlilan téh geus nga-
jakan heula Si Adung jeung
Si Tatang, tapi cenah moal
bisa ngilu tahlilan, keur teu
ngareunah awak. Padahal
tadi soré basa panggih jag-
jag waringkas nu duaan téh.
Teu mikir dua kali, indit waé
sorangan. Mopoék, da sén-
ter poho teu dibatuan.
Eukeur mah caraang da
di tengah lembur.
Palebah pipir imah Sa-
tibi, anak goak téh Nyi Sa-
tibi nu pas kuring ngaliwat,
pas manéhna mukakeun
panto dapur.
“Alah tobattt... Juriggg...
Haji Karta... Tulung Apana!
Tulung ...” cenah bari balik
deui lumpat muru tengah
imah.
Sakedapan mah kuring
ukur ngembang kadu nga-
déngé Nyi Satibi ngocéak
kitu téh. Luak-lieuk, sidik
ngan kuring sorangan.
Tungtungna kaharti yen
kuring disangka ririwa Haji
Karta. Daripada barabé,
geus waé kuring nuluykeun
leumpang bari rada diru-
rusuh.
Teu ku henteu deuih, di
jalan pasanggrok deui jeung
jelema, teu pati awas saha-
sahana da poék. Ngan geus
rada deukeut jol-jol kocéak
deui manéhna ngocéak
sarua jeung Nyi Satibi. Balik
deui ka tukang bari lumpat
tipaparétot tulung-tulungan.
Kuring ngan seuri sora-
ngan. Abong jalma borang-
an, sidik jelema disebut
jurig. Kitu balukar na jalma
ngompod téh. Lain taliti
jeung sidik-sidik heula saha-
sahana. Can nanaon geus
miheulaan sieun. Nya meu-
reun polah nu kitu nu sok
mawa cilaka téh. Cilaka ku
pamolah sorangan éta mah.
Nepi di imah Haji Karta
geus nyampak nu rék
Manglé 246724
PPuridingPuringkak
Jadi Ririwa
Ku Taufik Rahayu
26. 25Manglé 2467
tahlilan. Teu pati rempeg,
sigana téh nu dareuheus
pisan ka almarhum waé nu
daratang ogé. Ajengan Basir
nu sok mimpin doa gé geus
nyampak. Heuleut sabaraha
menit, tuluy ger waé
tahlilan.
Balik tahlilan téh rada
maneurikeun manéh.
Ngadon uplek ngobrol jeung
kulawarga nu kapapaitan.
Utamana mah ngobrolkeun
papanggihan tadi di jalan.
Ustad Basir nu aya kénéh
ogé milu ngabandungan
carita kuring ogé seuri
ngadéngé lalakon Nyi Sa-
tibi mah. Da moal teu
ngayekyek ngiihan ma-
néh. Kitu oge nu di jalan,
moal teu sukuna gareti-
han balas titatarajong.
“Atuh da Bah Dirma
mah persis pisan jeung
jenatna, eukeur mah
saumur deuih,” ceuk
Nyi Karta ka kuring.
“Komo éta maké pa-
pakéanana kamprét
bodas, di peci haji bodas,
jaba jenggot jeung kumis
nu panjang. Persis pisan je-
natna.” Ajengan Basir milu
mairan. Kuring seuri sora-
ngan, da rumasa dangdanan
teh siga Haji Karta. Tapi da
ilaharna aki-aki mah make
nu kieu, piraku kudu
dikakaos, asa teu parantes.
Geus beres mah tuluy
kuring mulang. Nyorangan
mulang téh siga waktu indit.
Da nu lain mah lolobana
imahna dareukeut. Ari nu
jauh nya éta sigana téh
ngompod mun kudu ka luar
imah pas aya nu maotna
mah. Nepi ka 7 peuting mah
sok tara warani nguram-
preng ka luar sorangan éta
téh. Sajajalan aya kereteg
goréng. Hayang nyingsieun-
an nu barorangan. Utamana
rék nyingsieunan Lurah
Atno. Bongan pamingpin
téh euweuh guam pisan.
Sakitu ku nu kapapaitan
diondang tahlilan téh, eu-
weuh basa euweuh carita.
Peupeuriheun beurangna
basa mulasara layon eu-
weuh, cing atuh ari tahlilan
mah maksakeun, da moal
méakeun waktu mangjam-
jam pira
tahlilan.
Teu
pan-
tés
kasebutna
ari pingpinan désa
kitu péta mah. Ceuk parib-
asana saelol atuh keur sarat
waé mah.
Nguliwed ka pipir
imahna, ngahaja muru ka
lebah kamar nu disaréan ku
Lurah Atmo. Geus kitu ku-
ring tuluy ngautan bilikna.
Bari tuluy pok ngomong
dingirungkeun.
“Siaaa... nega ka ngaing!
Meni taya ngelolna ka
tahlilan ngaing. Dikerekeb
siah ku ngaing... heaahhh ...
heahhh ...”
Beres ngomong kitu téh
bari tuluy kakaut kana ba-
likna, méh disangka ririwa.
Bari teu kuat mangkek
hayang seuri. Komo barang
ngadéngé nu ngagurubug
tuluy tibabaraduk mah, sada
nu luncat tina lisbang. Teu
lila kadengen Lurah Atmo
jeung pamajikanana baba-
caan.
Geus bé-
rés
nying-
sieunan
mah tuluy waé
gura-giru balik. Kop
siah, moal bisa saré sapeut-
ing ieu mah. Bongan teu siga
pamingpin kalakuan téh.
Kuring tuluy balik ru-
rusuhan da geus peuting
teuing. Melang ka pama-
jikan jeung incu.
Isukna bener waé jeung
nu disangka. Gujrud
salelembur lurah Haji Karta
ngaririwaan. Rariweuh sok
komo nu manggihanana lain
hiji lain dua, tapi loba.
Katambah-tambah aya béja
ti Lurah Atmo, pajar riri-
wana ngontrog ka manéhna,
nitah ngilu tahlilan. Kuring
mah nu boga dosana
nyenghél waé, teu loba
carita. Keun weh, ngarah teu
loba jalma nu liar ti peuting,
barina peuting mah lain
waktuna aya di luar imah,
tapi waktuna cicing di jero
imah jeung anak pamajikan.
Bener waé peuting kadua
mah, lurah Atmo geus aya
sila gigireun ajengan Basir.
Tatangga deukeutna Lurah
Atmo ogé témbong saba-
baraha urang. Tahlilan jadi
rempeg. Kitu ogé si Adung
jeung si Tatang, tatangga
kuring geus aya keur ngage-
mos boléd jeung kicimpring.
Sanggeus beres, lurah
jeung nu lain mah tuluy tu-
turubun balik. Kitu oge si
Adung jeung si Tatang.
Heuelut sabara menit,
Ajengan Basir ogé pamit.
Saméméh balik,
Ajengan Basir ngaharé-
wos, “Kacida éta Si Abah
ka Lurah, meuni kuat ka
disingsieunan kitu. Éta tadi
mah nyaritakeun kajadian-
ana meuni nepi ka pias. Bari
tuluy keukeuh ménta doa
panyinglar ririwa, bisi engké
peuting datang deui cenah.”
Kuring ukur ngahéhéh.
Balikna teu nyingsieu-
nan deui ayeuna mah, da
tangtu lampah kitu téh teu
hadé. Kamari mah ukur
ngawarah waé. Palebah
imah lurah Atmo nu tadi
balik tuturubun pangheu-
lana, kuring ukur ngarawu
taneuh garing, geus kitu di-
sewurkeun kana suhunanan.
Kadéngé hawar-hawar ti
jero imah, Lurah Atmo nu
gegelendangan babacaan.
“Bongan balik ti heula, lain
bareng jeung ajengan!”
Cekéng téh bari seuri leu-
tik.***
Bandung,
28 Februari 2014
27. CCarita Heubeul
I. Di Mataram
K
acaritakeun
anu jume-
neng ratu,
nyakrawati
di nagara
Mataram
harita, jujulukna katelah
Sultan Agung, tedak Kyai
Ageng Pamanahan. Nagri
Mataram dina jaman harita
kawentarkeun nagara pan-
jang-apunjung, réa ketan réa
keton. Turta anu jadi ratu
kaceluk ka awun-awun,
kawentar ka janapria, ratu
gagah perkosa sarta adil
palamarta. Dina mangsa
harita méh sakuliah pulo
Jawa geus kaéréh ku
Mataram, hiji nagara Islam
anu pohara kuatna.
Sakawitna anu kudu
ngéréh nagri Mataram téh,
putra Kyai Ageng Pamana-
han anu cikal, anu jenengan
Pangéran Martapura. Tapi
Pangéran Martapura henteu
kersaeun, mangkon kapra-
bon ngagentos ramana, ku
sabab anjeunna mah kare-
sepna téh ngulik élmu
panemu lahir tumekaning
{ 11 }
Manglé 246726
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
PANGANTEUR
Kamari tos kasanggakeun lalakon Gogoda ka nu Ngarora yasana M.A. Salmun.
Kiwari aya carios petingan séjénna nyaéta Dongéng Riwayat Pangéran Dipati
Ukur kénging Rohendy Sumardinata kalawan dirakit sareng dipasieup deui ku Supis.
Ieu carita dimuat ku MANGLÉ tina buku Dipati Ukur nu dikaluarkeun ku Daja Sunda
Pusat. Sakumna putra Sunda, sumawonten anu kasebat rundayan Bandung mah,
moal bireuk deui kana jenengan Pangéran Dipati Ukur, anu parantos ngaheuyeuk
tatar Ukur (Kabupatén Bandung ayeuna) di jaman Sultan Agung Mataram.
Carios lalakon Dipati Ukur anu kasanggakeun ieu, bahanna kenging ngempelkeun
Sdrk. Rohendy Sumardinata, hasilna maluruh ti sepuh-sepuh anu marangkuk di Gu-
nung halu sareng Cililin. Sanaos ieu dongéng henteu tiasa dianggap sajarah asli
(gedocumenteerd), mung eusina sareng tamsilna, yakin kénging didamel conto sareng
tuladan ku sakumna sékésélér Sunda, dina jaman inyana sareng iraha baé, boh ayeu-
na boh kapayunna. Kanggo saksi yén Dipati Ukur tetela jadi Luluhur Bandung, di strik
Banjaran, di sisi pakemitan palih ti kidul, aya pasaréan anu sok pada ngajarahan, nya
éta anu katelah pasaréan Sembah Dalem Dipati Ukur. Sajabi ti éta di wewengkon Gu-
nunghalu aya patempatan anu diaranggap karamat deuih, anu disebat Batulayang.
Di éta tempat aya batu lempar, nu sok dianggo panayogéan. Cék cariosan, anu
kawénéhan mah biasana dina malem Jumaah kaliwon sok rajeun pajonghok jeung jir-
imna Dipati Ukur, anu tilem di dinya. Redaksi MANGLÉ gaduh kayakinan, saupami di
tatar Sunda réa putra Sunda anu kahanan sareng pasipatanana sapertos Dipati Ukur
dina dongéng ieu, kawasna dina jaman riweuh kieu sapertos ayeuna téh, moal gupuy-
gapay énggoning milari pipamingpineun. Mugi-mugi baé ieu
carita nyambung téh aya mangpaatna.***
28. batin; hirup nyepi di lembur
nu singkur, nebihan goda
rancana dunya.
Demi kaprabon ku an-
jeunna disérénkeun ka raina
Pangéran Sutawijaya, anu
saterusna nelah Sultan
Agung. Anjeunna nyakra-
wati di Mataram ti taun 1613
nepi ka 1645.
Dina hiji poé, Sultan
Agung nuju magelaran
sinewaka di paseban, dideu-
heusan ku para bupati, patih
katut mangkubumi. Eukeur
ngagelendut miwuruk mitu-
tur bagbagan agama driga-
ma, tata cara ngaheuyeuk
dayeuh ngolah nagara, jol
gulang-gulang torojog tanpa
larapan, dumeuheus ka
payuneun Sultan, hari-
weusweus pok unjukan:
“Nun Gusti, awon teu
kapiunjuk, abdi Gusti nyem-
bahkeun sewu bebendu
laksa duduka, kumawantun
dumeuheus ka pangkon
dampal Gusti, henteu
kalayan aya panyaur,” ... Sul-
tan Agung alon mariksa :
“Aya piunjuk naon, Gu-
lang-gulang?”
Gulang-gulang sorana
ngadégdég, ajrih dibaur ku
isin: “Nun Gusti, aya hiji
abdi ti pakampungan, anu
ngangken wasta pun Ukur.
Dupi maksadna, badé marek
ka salira dampal Gusti. Sala-
jengna ku abdi Gusti diwa-
gel, namung pribadosna
keukeuh maksa, dugi ka
wantun ngalawan ka sadaya
anu ngajagi di lawang-kori.
Atuh lajeng baé ku sadaya
diraponan, dikoroyok, na-
mung henteu aya saurang
anu tiasaeun nyangking. Sa-
dayana teter ngayonan
kadigjayaanana éta pun
Ukur, kaulanun.”
“Di mana ayeuna éta
jalma téh?” saur Sultan
Agung. “Aya, nuju ngantos
panyaur Gusti, di latar pa-
mengkang, kaulanun.”
“Cik gasik bawa ka dieu,
montong maké paksa pirusa,
lelemu ku basa anu mere-
nah”, saur Sultan Agung.
Ki Gulang-gulang cedok
nyembah terus mungkur ti
payuneun Sang Ratu.
Barang Ki Ukur nga-
déngé ti Gulang-gulang, yén
disaur ku Sang Ratu, jung
nangtung, leumpang ma-
mandapan nuturkeun Ki
Gulang-gulang, asup ka sri
manganti. Barang rét kati-
ngali ku Sri Ratu, brek ki
Ukur diuk.
Ku Sang Ratu digupay,
supaya diukna deukeut.
Sang Ratu alon ngandika :
“Enya manéh, anu
maksa hayang ngadeuheus
ka kami téh?”
“Duh Gusti, sadaya-daya
abdi Gusti nyanggakeun
beuheung teukteukeun, suku
genténg bélokeun, kabéh-
kabéh dampal Gusti anu ka-
gungan. Gantung tinggi
buang jauh, abdi Gusti hamo
badé ngalangkungan kana
pangersa dampal Gusti,”
walon Ki Ukur, sorana tatag
perlénté, jauh tina kasima.
“Naon pikarepeun
manéh, anu matak kuma-
wani keukeuh maksa
mirusa, henteu ngen-
dahkeun omonganana anu
ngajaraga di lawang kori?”
“Duh Gusti, rumaos abdi
Gusti parantos ngajalankeun
kalepatan, kumawantun
campelak cucungah. Dupi
margina, abdi Gusti dumugi
ka ical duduga peryoga,
wiréhing abdi Gusti dongkap
ti anu sakitu tebihna, teu aya
sanés mung hoyong du-
meuheus ka salira dampal
Gusti. Dupi anu ngajaragi di
lawang kori henteu aya pisan
bemakramana, ting poro-
ngos ting haroak nyarékan
ka abdi Gusti, ngusir-ngusir
bari najong sareng nyépak,
supados abdi Gusti enggal-
enggal nebihan karaton,”
Sang Ratu mesem
ngandika :
“Geus éta mah Ukur, ku
kami gé kaharti sarta karasa.
Éta peta manéh kitu ku kami
dihampura pisan. Ayeuna
kami nanya, ti mana manéh
nya asal, lembur matuh ban-
jar karang pamidangan?
Jeung naon pamaksudan,
anu matak jauh-jauh
ngadeuheusan ka salira
kami? Cik pok caritakeun!”
“Gusti, menggah awit
abdi Gusti ti pakampungan
tatar kulon, anu nelah kam-
pung Manikmaya. Pere-
nahna ti dieu tebih, lalakon
aya sasasihna langkung.
Dupi pamaksadan, anu
mawi abdi Gusti dumeuheus
teu aya sanés, mung badé
neda sih tresna dampal
Gusti, kersa maparin
padamelan ka abdi Gusti.
Kumargi aya wangsitna pun
aki, yén engké saupami abdi
Gusti parantos sawawa,
kedah ulun kumaula ka
dampal Gusti, kaulanun”,
walon Ki Ukur, bari cong
nyembah. Gasik Sri Sultan
ngadawuh:
“Eh Ukur, ari maksud
manéh arék ulun kumaula
mah ka kami, atoh nu aya,
banget nya tumarima. Tapi
ayeuna kami rék nanya
heula, naon pangabisa jeung
kasanggup manéh?”
“Duh Gusti, menggah
abdi Gusti mah éstu bodo
balilu, urang kampung bau
lisung, henteu aya pisan ka-
tiasa, mung karep sareng
kadaék anu sayagi dina diri
abdi Gusti. Ku margi éta,
abdi Gusti henteu badé
ngalalangkungan dampal
Gusti, badé didamel tukang
ngarit, tukang kuda, tukang
naktak-mundak, carék wi-
wilanganana, henteu ruhun
dampal Gusti. Abdi Gusti
sumeja kumambang kana
pangersa, kaulanun.”
Kanjeng Sultan
ngadangu piunjuk Ki Ukur,
nyaur salebeting galih:
“Ieu jajaka, kawas-kawas
lain samanéa, tapi aya terah
ti luhurna”.
Lajeng ngadawuh:
“Ukur, cik ku manéh ca-
ritakeun, montong rék dis-
umput salindung, kami
hayang nyaho, saha ari lu-
luhur manéh?”
“Nun Gusti, sakumaha
anu parantos kapiunjuk tadi,
menggahing abdi Gusti mah
mung saukur tuturunan
bulu taneuh. Anamung
saupami Dampal Gusti per-
canten, numutkeun
dongéngna pun aki, abdi
Gusti téh kokocoran ti pun
Lurah Kiwaraksa, nu kantos
jadi Lurah di Tegallebu.
Saupami dongéngna pun aki
leres, pun Lurah Kiwaraksa
téh awitna mah ti Pajajaran.
Nalika Kangjeng Raja Paja-
jaran, Sri Maduga Ratu
angkat ka Majapait, badé
ngadahupkeun putrana Sang
Putri Pitaloka ka raja
Hayamwuruk, buyut abdi
gusti pun Kiwaraksa téa,
kantos dicandak, lebet kana
iringan ponggawa. Dampal
Gusti langkung waspada,
anu sakawitna badé ngalu-
uhan jatukrami, ku tipu-
dayana Papatih Gajahmada,
nalika aleutan ti Pajajaran
nuju masanggrahan di
bubat, (digempur ku prajurit
Majapait. Pun buyut Ki-
waraksa kenging dawuhan
Sang Ratu, diutus ka Paja-
jaran, kanggo ngempelkeun
balabantuan. Anamung di
satengahing jalan, papapag
sareng musuh, anu puluhan
seueurna. Pun buyut pada
ngaraponan dugi ka henteu
tiasa walakaya, badanna
pinuh ku tatu ngagolér kapi-
dara. Dikinten ku musuh
parantos lastari, cul pada
ngantunkeun di tempat
hara-haraeun.
Ki Ukur ngahuleng
sajongjonan, ngangres nge-
nes ngadéngé dongéngna so-
rangan.
(lajengkeuneun)
27Manglé 2467