Kontribusi Islam Dalam Pengembangan Peradaban Dunia - KELOMPOK 1.pptx
Data 6
1. Tara angkuh jeung adigung Sanajan ka urang gunung
74. Kana nyandang kasusahan Gering jeung papatayanan
Ngalayad sarta ngubaran Ngajajapkeun ka kuburan
75. Manis saur manis budi Estu mustika ning jalmi
Sajagat mo mendak deui Sae rupi jeung parangi
76. Raray lir bulan purnami Halisna lir katumiri
Waos lir inten biduri Salira harum wawangi
77. Estu kersaning pangeran Lain sengit diminyakan
Karinget pada nandean Diparake sesengitan
78. Sakitu Nabi mulyana Taya pisan adigungna
Angkat pungkureun Shobatna Kalangkung handap asorna
79. Anggoan kersa lumayan Najan nu geus ditambalan
Kitu deui katuangan Banget pisan kakurangan
80. Betah dina kamiskinan Lain sabab teu kagungan
Ngahaja bae ngirangan Ngarah karidoan Tuhan
81. Pirang-pirang mu’jijatna Tawis ka Nabiannana
Qur’an nu nomor hijina Mu’jijat nu pangmulyana
82. Tangkal nu perang daunna Disiram tilas abdasna
Ngadadak loba buahna Sarta hirup satuluyna
83. Domba nu banget kuruna Sartana lepet susuna
Di usap ku pananganna Ngadadak juuh susuna
84. Dina hiji waktos deui Shohabat kakirangan cai
Teras bae Kanjeng Nabi Mundut cai anu kari
85. Cai ngan saketel pisan Taya deui anu lain
Nabi nelemkeun panangan Dumadak tuluy manceran
86. cai mancer loba pisan Kaluar tina panangan
Sela-sela ramo pisan Cukup ku jalmi rebuan
87. Kacatur hiji bedewi Ngadoja ka Kanjeng Nabi
Nitah nyaur tangkal kai Sina ngomong cara jalmi
88. Sanggeus kitu balik deui Katempat asalan deui
Badwi teh ngan kantun heran Ninggal eta kaanehan
89. Tuluy bae asup islam Ka Nabi ngangkeun panutan
Salianna loba deui Mu’jijitna Kanjeng Nabi
90. Mun diwincik hiji-hiji Keur nulisan moal mahi
Hai Alloh nu sifat Rohman Abdi sadayana iman
91. Teu aya deui Pangeran Lian ti anjeuna pisan
Nu ngadamel bumi alam Rawuh saeusina pisan