SlideShare a Scribd company logo
1 of 4
Download to read offline
Thema :”Ngarasa Reueus Jadi Urang Sunda”
                              NGAMUMULE BASA SUNDA

Assalamu`alaikum wr. Wb.
     Ibu-ibu nu luhung ku elmu panimu, bapa-bapa nu jembar ku karsa karya
katut pangalaman, oge rerencangana para siswa anu ku simkuring dipiheman.
Puji sinareng syukur Alhamdulillah Urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi
Allah AWT, mungguhing kukawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun
riung mungpulung patepung lawung bari nyucruk elmu pangaweru.
     Patepang     raray     patarema   panangan      bari    nyiar    pangabisa,       bongkok
ngaronyok paamprok jonghok sugan isuk jaganing geto bias silih longok,
silih pikasono, silaturahmi numutkeun tali paranti tur sakumaha numutkeun
ajaran Alloh Sang Hyang Widi nu didugikeun ku para Nabi.
     Kadang wargi anu mulya.
     Dina ieu kasempatan sim kuring kenging pancen biantara dina raraga
“Ngaronjatkeun     Ajen-inajen     Atikan     Basa   jeung    Sastra     Sunda”.       Nanging
sateucanna           bade           tamada              ka           wargi             sadaya,
neda ampun paralun bilih aya nu luhung kaluhuran, sih hapunten anu kasuhun,
margi saestuna sim kuring rumaos miskin ku pangarti-malarat ku pangabisa,
rumaos teu bodo-bodo acan,
estuning ilang alon margahina. Nanging pedah kuwengku ku pancen, sim kuring
neda widi bade
maksakeun bae diajar dina cumarita payuneun wargi sadaya. Judul nu baris
dibiantarakeun teh
nyaeta,“NGAMUMULE BASA SUNDA”.
     Hadirin amu ku sim kuring dipihormat.
     Dumasar kana Kurikulum 2004, Atikan Basa jeung Saster Sunda the
mangrupi     pangajaran   kaasup   kana     Muatan    Lokal    anu    luyu     pisan    sareng
lingkungan    sabudeureun     siswa,   komo    patali    sareng      Otonomi    Daerah    mah.
Nyambung pisan tangtosna ge. Kumargi kitu, para siswa ditungtut malar
kahudangkeun manah sareng emutanna sangkan mikaresep tur mikareueus kana
basa sunda salaku banda urang sadaya, banda pusaka urang tatar sunda nu
kudu dimumule serta dilestarikeun ku para generasina.
Mun urang tatar Sunda mibanda rasa kacinta jeung kareueus pikeun ngamumule
basa Sunda, tangtu moal mindeng teuing kacaritakeun salah ngalarapkeun
kecap atawa kalimah dina komunikasi sapopoena, pangpangna dina ngagunakeun
undak-usuk basa, boh lisanna boh tulisna. Contohna bae:
     Basa nu salah larapna
     Dinten naon bade mios ka Bandung the ? Ari jawabna: Insya Alloh abdi
     angkat dinten Saptu.
     Sareng pun rama teu ? Ari jawabna: Manawi tos tilu dinten udur pun
     rama                                                              mah.
     Ari kuduna mah
     Dinten naon bade angkat ka Bandung the ? Jawabanna: Insaya Alloh abdi
     mios dinten Saptu.
     Sareng tuang rama teu ? Jawabanna: Numawi tos tilu dinten teu damang
     pun bapa mah.
     Jeung rea-rea deui conto sejenna.
     Mindeng kabandungan ku urang sadaya, teu saeutik urang sunda nu geus
luntur rasa kareueus jeung rasa kacintana kana Basa Sunda. Buktina bae,
loba nu indung bapana pituin urang Sunda, tapi nyarios ka para putrana
sapopoe naggunakeun Basa Malayu, alias Basa Indonesia. Rajeun digunakeun ge
dina waktuna nyarenkan. Lalampahana samodel kitu teh kapikir ku sim kuring
mah saolah-olah mun aranjeunna ngagunakeun basa Sunda mah matak era, atawa
boga anggapan
handap nileyna. Aya deui nu boga anggapan yen lamun ngagunakeun basa Sunda
teh cenah sieun salah ngalarapkeunna. Padahal mun seug dipikir deui mah,
naha make kudu sieun salah ngalarapkeunna sagala? Pan mun aya nu apaleun
salah mah piraku teu aya nu ngomekeun sangkan bener. Jadi, nu puguh salah
mah, nyaeta urang Sunda ku anjeun nu geus teu daek ngagunakeun basa Sunda
dina kahirupan sapopoena. Anu antukna, generasi urang Sunda leupas
tina purwa-daksi tur jati-diri ka-Sundaannana. Tah…, mun geus kieu, na rek
kusaha atuh nu baris ngamumule basa Sunda teh ….?
Kadang wargi anu mulya.
       Pikeun ngamumule basa Sunda saestuna heuntue hese, tapi lain hartina
kudu dianggap gampang deuih, lantaran dina prakprakannana kudu ngaliwatan
sabaraha    sarat.   Ari    saratna    ngamumule      teh    kudu   mibanda     rasa   kacinta
reujeung kareueus. Eta rasa kacinta kareueus teh bisakaujudkeun lamun geus
wanoh. Sangkan wanoh, nya kudu wawuh heula tangtuna ge. Jadi cindekna mah,
sangkan urang Sunda bisa ngamumule basa jeung sastra Sunda teh, leuwih ti
heula kudu diwawuhkeun ti oorok. Ti oorok beureum keneh jeung sastra
Sundakudu geus diwawuhkeun ka para putrana. Ari contona, geuning sangkan
orok   bisa   sare      atawa     sangkan     repeh   tina    ceurik,    ku     sepuhna     sok
dipangawihkeun Ayun Ambing. Anu kieu tea geuning kawihna teh:
Ayun-ayun ambing
Diayun-ayun ku samping
Ayun-ayun lenjang
Diayun-ayun ku sinjang
…………………..., jeung saterusna.
       Atawa sok dipangdongenkeun geuning. Aya dongeng lalampahan kuya jeung
monyet,    dongeng   pinterna      sakadang    peucang,     dongeng    kumaha    licik    jeung
pangedulanna si Kabayan, jeung rea-rea deui dongeng sejenna nu biasana mah
didongengkeunna teh memeh sare. Ku cara sarupa kitu, dipireungeuh atawa
henteu, nu janten sepuh tos napelkeun opat rupa atikan ka nu janten
putrana. Ka hiji basana, ka dua sastrana, ka tilu kawihna, jeung nu
kaopatna ngawawuhkwun lampah paripolah alias adat istiadat urang Sunda ka
darah dagingna sorangan. Cing geura mangga lenyepan masing anteb, naha
kabiasaan     sarupa       kitu     teh     ku    urang       rek     dipiceun     mundelna,
terus nu nyesa kantun wasna? Duh………, piraku …….. dulur?!
       Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
       Sabada ngalenyepan pananya tadi, sim kuring neda widi ka kadang wargi
pikeun nyindekkeun kedaling ati pamugi teu lepat nampi, gelar amanat ka
sadaya urang Sunda, muga diridhoan ku Sanghyang Murbawisesa Alloh SWT nu
Maha   Kawasa,   hayu    urang     sareundeuk    saigel,     sabobot    sapihanean       sabata
sarimbangan rempug jukung sauyunan, pikeun sabanda sariksa ngamumule basa
titingala karuhun urang sadaya basa nu jembar ku ciri budaya, nyaeta basa
Sunda.
         Panutup catur pamungkas carita: mugi-mugi ieu pedaran sing janten
panggeuing pangeling anu teu kedah disebatkeun kanggo saha-sahana, mung
rupina mah cekap dipundut kasadaranna bae. Salajengna, bilih aya Pangagung
katut dulur-dulur nu kasiku kalbuna bilih aya Pamingpin atanapi wargi-wargi
nu kagerih atina sarta bilih aya Pejabat katut Aparat rengrenganna atawa
baraya nu kadupak manahna, mugi agung cukup lumur muga jembar hapuntenna nu
diteda. Kana bobot pangayon timbang tarju ti kadang wargi sadaya anu mulya,
insya Alloh baris ditampi ku asta kalih kasangga kalingga murda. Mugi Alloh
nyakseni tur ngobulkeun kana niat suci urang sadaya pikeun ngamumule basa
Sunda. Amin Yaa robbal alamien!
Wassalam mu`alaikum wr. Wb.

More Related Content

What's hot

Kontrak belajar
Kontrak belajarKontrak belajar
Kontrak belajar
sidiart
 
Materi Bahasa Jawa Kelas 6
Materi Bahasa Jawa Kelas 6Materi Bahasa Jawa Kelas 6
Materi Bahasa Jawa Kelas 6
rismawijayanti
 

What's hot (20)

Matematika Untuk Kelas 1 SD / MI
Matematika Untuk Kelas 1 SD / MIMatematika Untuk Kelas 1 SD / MI
Matematika Untuk Kelas 1 SD / MI
 
Buku catatan pelanggaran siswa
Buku catatan pelanggaran siswaBuku catatan pelanggaran siswa
Buku catatan pelanggaran siswa
 
Kumpulan 30 puisi tentang wanita
Kumpulan 30 puisi tentang wanitaKumpulan 30 puisi tentang wanita
Kumpulan 30 puisi tentang wanita
 
Kontrak belajar
Kontrak belajarKontrak belajar
Kontrak belajar
 
Model RPP Seni Musik
Model RPP Seni MusikModel RPP Seni Musik
Model RPP Seni Musik
 
Soal pai kelas 2 sd bab gerakan dan praktik solat dan kunci jawaban
Soal pai kelas 2 sd bab gerakan dan praktik solat dan kunci jawaban Soal pai kelas 2 sd bab gerakan dan praktik solat dan kunci jawaban
Soal pai kelas 2 sd bab gerakan dan praktik solat dan kunci jawaban
 
Contoh berita acara seminar penelitian tindakan sekolah (kepala sekolah)
Contoh berita acara seminar penelitian tindakan sekolah (kepala sekolah)Contoh berita acara seminar penelitian tindakan sekolah (kepala sekolah)
Contoh berita acara seminar penelitian tindakan sekolah (kepala sekolah)
 
Materi Bahasa Jawa Kelas 6
Materi Bahasa Jawa Kelas 6Materi Bahasa Jawa Kelas 6
Materi Bahasa Jawa Kelas 6
 
RPP Lengkap Matematika Kelas 3 SD/MI semester 1
RPP Lengkap Matematika Kelas 3 SD/MI semester 1RPP Lengkap Matematika Kelas 3 SD/MI semester 1
RPP Lengkap Matematika Kelas 3 SD/MI semester 1
 
Soal uas matematika kelas 2 sd semester 2 dan kunci jawaban
Soal uas matematika kelas 2 sd semester 2 dan kunci jawabanSoal uas matematika kelas 2 sd semester 2 dan kunci jawaban
Soal uas matematika kelas 2 sd semester 2 dan kunci jawaban
 
Teks upacara
Teks upacaraTeks upacara
Teks upacara
 
Rumus prosentase ketuntasan belajar
Rumus prosentase ketuntasan belajarRumus prosentase ketuntasan belajar
Rumus prosentase ketuntasan belajar
 
Tema 1, diriku (kelas 1)
Tema 1, diriku (kelas 1)Tema 1, diriku (kelas 1)
Tema 1, diriku (kelas 1)
 
Pidato perpisahan kelas 6
Pidato perpisahan kelas 6Pidato perpisahan kelas 6
Pidato perpisahan kelas 6
 
Puisi guru
Puisi guruPuisi guru
Puisi guru
 
Undangan rapat wali murid 2018
Undangan rapat wali murid 2018Undangan rapat wali murid 2018
Undangan rapat wali murid 2018
 
Laporan umpan balik dari teman sejawat
Laporan umpan balik dari teman sejawatLaporan umpan balik dari teman sejawat
Laporan umpan balik dari teman sejawat
 
Format Penilaian Keterampilan Peserta Didik Diskusi dan Presentasi
Format Penilaian Keterampilan Peserta Didik Diskusi dan PresentasiFormat Penilaian Keterampilan Peserta Didik Diskusi dan Presentasi
Format Penilaian Keterampilan Peserta Didik Diskusi dan Presentasi
 
FORM PENILAIAN PROYEK P5.pdf
FORM PENILAIAN PROYEK P5.pdfFORM PENILAIAN PROYEK P5.pdf
FORM PENILAIAN PROYEK P5.pdf
 
PPT P5 PAK WID.pptx
PPT P5 PAK WID.pptxPPT P5 PAK WID.pptx
PPT P5 PAK WID.pptx
 

Similar to Ngamumule basa sunda (20)

Biantara.docx
Biantara.docxBiantara.docx
Biantara.docx
 
Contoh naskah sunda
Contoh naskah sundaContoh naskah sunda
Contoh naskah sunda
 
Biantara basa sunda
Biantara basa sundaBiantara basa sunda
Biantara basa sunda
 
Kolom
KolomKolom
Kolom
 
PPT BIANTARA.pptx
PPT BIANTARA.pptxPPT BIANTARA.pptx
PPT BIANTARA.pptx
 
BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11
 
Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9
 
Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7
 
Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7
 
Serah panganten 3
Serah panganten 3Serah panganten 3
Serah panganten 3
 
Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8
 
Kelas 1 pdf 2014
Kelas 1 pdf 2014Kelas 1 pdf 2014
Kelas 1 pdf 2014
 
Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11
 
Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2
 
Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2
 
Buku guru kls 7
Buku guru kls 7Buku guru kls 7
Buku guru kls 7
 
Pakeman Basa.pptx
Pakeman Basa.pptxPakeman Basa.pptx
Pakeman Basa.pptx
 
Basa sunda
Basa sundaBasa sunda
Basa sunda
 
Serah Terima pengantin Bahasa sunda
Serah Terima pengantin Bahasa sundaSerah Terima pengantin Bahasa sunda
Serah Terima pengantin Bahasa sunda
 
Kawih
KawihKawih
Kawih
 

Ngamumule basa sunda

  • 1. Thema :”Ngarasa Reueus Jadi Urang Sunda” NGAMUMULE BASA SUNDA Assalamu`alaikum wr. Wb. Ibu-ibu nu luhung ku elmu panimu, bapa-bapa nu jembar ku karsa karya katut pangalaman, oge rerencangana para siswa anu ku simkuring dipiheman. Puji sinareng syukur Alhamdulillah Urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi Allah AWT, mungguhing kukawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung bari nyucruk elmu pangaweru. Patepang raray patarema panangan bari nyiar pangabisa, bongkok ngaronyok paamprok jonghok sugan isuk jaganing geto bias silih longok, silih pikasono, silaturahmi numutkeun tali paranti tur sakumaha numutkeun ajaran Alloh Sang Hyang Widi nu didugikeun ku para Nabi. Kadang wargi anu mulya. Dina ieu kasempatan sim kuring kenging pancen biantara dina raraga “Ngaronjatkeun Ajen-inajen Atikan Basa jeung Sastra Sunda”. Nanging sateucanna bade tamada ka wargi sadaya, neda ampun paralun bilih aya nu luhung kaluhuran, sih hapunten anu kasuhun, margi saestuna sim kuring rumaos miskin ku pangarti-malarat ku pangabisa, rumaos teu bodo-bodo acan, estuning ilang alon margahina. Nanging pedah kuwengku ku pancen, sim kuring neda widi bade maksakeun bae diajar dina cumarita payuneun wargi sadaya. Judul nu baris dibiantarakeun teh nyaeta,“NGAMUMULE BASA SUNDA”. Hadirin amu ku sim kuring dipihormat. Dumasar kana Kurikulum 2004, Atikan Basa jeung Saster Sunda the mangrupi pangajaran kaasup kana Muatan Lokal anu luyu pisan sareng lingkungan sabudeureun siswa, komo patali sareng Otonomi Daerah mah. Nyambung pisan tangtosna ge. Kumargi kitu, para siswa ditungtut malar kahudangkeun manah sareng emutanna sangkan mikaresep tur mikareueus kana basa sunda salaku banda urang sadaya, banda pusaka urang tatar sunda nu kudu dimumule serta dilestarikeun ku para generasina.
  • 2. Mun urang tatar Sunda mibanda rasa kacinta jeung kareueus pikeun ngamumule basa Sunda, tangtu moal mindeng teuing kacaritakeun salah ngalarapkeun kecap atawa kalimah dina komunikasi sapopoena, pangpangna dina ngagunakeun undak-usuk basa, boh lisanna boh tulisna. Contohna bae: Basa nu salah larapna Dinten naon bade mios ka Bandung the ? Ari jawabna: Insya Alloh abdi angkat dinten Saptu. Sareng pun rama teu ? Ari jawabna: Manawi tos tilu dinten udur pun rama mah. Ari kuduna mah Dinten naon bade angkat ka Bandung the ? Jawabanna: Insaya Alloh abdi mios dinten Saptu. Sareng tuang rama teu ? Jawabanna: Numawi tos tilu dinten teu damang pun bapa mah. Jeung rea-rea deui conto sejenna. Mindeng kabandungan ku urang sadaya, teu saeutik urang sunda nu geus luntur rasa kareueus jeung rasa kacintana kana Basa Sunda. Buktina bae, loba nu indung bapana pituin urang Sunda, tapi nyarios ka para putrana sapopoe naggunakeun Basa Malayu, alias Basa Indonesia. Rajeun digunakeun ge dina waktuna nyarenkan. Lalampahana samodel kitu teh kapikir ku sim kuring mah saolah-olah mun aranjeunna ngagunakeun basa Sunda mah matak era, atawa boga anggapan handap nileyna. Aya deui nu boga anggapan yen lamun ngagunakeun basa Sunda teh cenah sieun salah ngalarapkeunna. Padahal mun seug dipikir deui mah, naha make kudu sieun salah ngalarapkeunna sagala? Pan mun aya nu apaleun salah mah piraku teu aya nu ngomekeun sangkan bener. Jadi, nu puguh salah mah, nyaeta urang Sunda ku anjeun nu geus teu daek ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoena. Anu antukna, generasi urang Sunda leupas tina purwa-daksi tur jati-diri ka-Sundaannana. Tah…, mun geus kieu, na rek kusaha atuh nu baris ngamumule basa Sunda teh ….?
  • 3. Kadang wargi anu mulya. Pikeun ngamumule basa Sunda saestuna heuntue hese, tapi lain hartina kudu dianggap gampang deuih, lantaran dina prakprakannana kudu ngaliwatan sabaraha sarat. Ari saratna ngamumule teh kudu mibanda rasa kacinta reujeung kareueus. Eta rasa kacinta kareueus teh bisakaujudkeun lamun geus wanoh. Sangkan wanoh, nya kudu wawuh heula tangtuna ge. Jadi cindekna mah, sangkan urang Sunda bisa ngamumule basa jeung sastra Sunda teh, leuwih ti heula kudu diwawuhkeun ti oorok. Ti oorok beureum keneh jeung sastra Sundakudu geus diwawuhkeun ka para putrana. Ari contona, geuning sangkan orok bisa sare atawa sangkan repeh tina ceurik, ku sepuhna sok dipangawihkeun Ayun Ambing. Anu kieu tea geuning kawihna teh: Ayun-ayun ambing Diayun-ayun ku samping Ayun-ayun lenjang Diayun-ayun ku sinjang …………………..., jeung saterusna. Atawa sok dipangdongenkeun geuning. Aya dongeng lalampahan kuya jeung monyet, dongeng pinterna sakadang peucang, dongeng kumaha licik jeung pangedulanna si Kabayan, jeung rea-rea deui dongeng sejenna nu biasana mah didongengkeunna teh memeh sare. Ku cara sarupa kitu, dipireungeuh atawa henteu, nu janten sepuh tos napelkeun opat rupa atikan ka nu janten putrana. Ka hiji basana, ka dua sastrana, ka tilu kawihna, jeung nu kaopatna ngawawuhkwun lampah paripolah alias adat istiadat urang Sunda ka darah dagingna sorangan. Cing geura mangga lenyepan masing anteb, naha kabiasaan sarupa kitu teh ku urang rek dipiceun mundelna, terus nu nyesa kantun wasna? Duh………, piraku …….. dulur?! Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, Sabada ngalenyepan pananya tadi, sim kuring neda widi ka kadang wargi pikeun nyindekkeun kedaling ati pamugi teu lepat nampi, gelar amanat ka sadaya urang Sunda, muga diridhoan ku Sanghyang Murbawisesa Alloh SWT nu Maha Kawasa, hayu urang sareundeuk saigel, sabobot sapihanean sabata sarimbangan rempug jukung sauyunan, pikeun sabanda sariksa ngamumule basa
  • 4. titingala karuhun urang sadaya basa nu jembar ku ciri budaya, nyaeta basa Sunda. Panutup catur pamungkas carita: mugi-mugi ieu pedaran sing janten panggeuing pangeling anu teu kedah disebatkeun kanggo saha-sahana, mung rupina mah cekap dipundut kasadaranna bae. Salajengna, bilih aya Pangagung katut dulur-dulur nu kasiku kalbuna bilih aya Pamingpin atanapi wargi-wargi nu kagerih atina sarta bilih aya Pejabat katut Aparat rengrenganna atawa baraya nu kadupak manahna, mugi agung cukup lumur muga jembar hapuntenna nu diteda. Kana bobot pangayon timbang tarju ti kadang wargi sadaya anu mulya, insya Alloh baris ditampi ku asta kalih kasangga kalingga murda. Mugi Alloh nyakseni tur ngobulkeun kana niat suci urang sadaya pikeun ngamumule basa Sunda. Amin Yaa robbal alamien! Wassalam mu`alaikum wr. Wb.