SlideShare a Scribd company logo
1 of 9
Téks Biantara
Novianti Indriani, S.Pd
SMAN 3 Garut
Runtuyan Materi
Padika Nyusun
Sawatara Hal Anu Kudu Diperhatikeun
Wangenan Biantara
Métode Biantara
Struktur / Sistematika Naskah Biantara
Conto Téks Biantara
Téks Biantara 2
Padika
Nyusun
Biantara
1
Jejerna aktual
Hartina kudu luyu jeung situasi sarta kondisi nu kiwari keur
alus dipadungdengkeun
2
Rangkayna weweg
Hartina rangkay tulisan dumasar kana struktur biantara nu
ngawengku bagian bubuka, eusi, jeung panutup.
3
Eusina mundel
Hartina réa mangpaat jeung pulungeunana.
Téks Biantara 3
4
Basana hadé
Hartina basa nu digunakeun kudu beunghar jeung euyeub
ku mamanis basa.
Aya sawatara hal anu kudu
diperhatikeun:
Sora (artikulasi),
hartina sora kudu
bedas jeung tatag
Lentong, hartina lentong
atawa nada ngomong
kudu mernah luyu jeung
lentong basa Sunda
Wirahma, hartina patali
jeung anca atawa
gancang jeung tarikna
halonna dina nyarita.
Nada, hartina patali
jeung rasa eusi
biantara
Téks Biantara 4
Pasemon (ekspresi),
hartina patali jeung
nada anu dikedalkeun
luyu jeung eusi biantara
Pasang peta (gestur),
hartina patali jeung
gerak awak nu épéktif
anu teu kaleuleuwihi
Wangenan Biantara
Biantara nyaéta nyarita dihareupeun balaréa
ngeunaan hiji hal dina acara anu sipatna resmi
atawa satengah resmi.
Téks Biantara 5
Métode
Biantara
Téks Biantara 6
MÉTODE KONSEP/ ÉKSTEMPORAN
métode biantara nu teu ngagunakeun naskah biasa na nyusun
garis badagna nu rék di tepikeun
MÉTODE IMPROMTU/SERTA MERTA
métode biantara nu masar nu ngadadak teu tatanar heula ngan
ngandelkeun pangaweruh jeung ka mahéran nu kacangking ku
dirina.
MÉTODE APALAN
métode nu dirancang heula ti anggalna kalayan ditulis
lengkep tur di apalkeun
MÉTODE NASKAH
métode biantara nu sering di gunakeun dina acara-
acara resmi biasa na geus disiapkeun naskahna kari
macakeun wungkul
Struktur / Sistematika Naskah
Biantara
Bubuka
salam bubuka,
muqadimah, ucapan
panghormat kanu
hadir
Eusi
nerangkeun inti
pasoalan ka audien/
pamirsa, kacindekan
Panutup
sanduk- sanduk,
nepikeun du'a, salam
panutup
Téks Biantara 7
Conto
Téks
Biantara
Téks Biantara
8
Pangjurung Laku
(biantara wawakil guru)
Assalamualaikum Wr Wb
Alhamdulillahirobbil alamin. Washolatu assalamu ala asrafil anbiyai wal mursalin, sayyidina muhammadin wa ala alihi
washohbihi ajmain.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Alhamdulillah, dina danget ieu urang sadaya dipaparin kaséhatan sareng
kakiatan, tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tineung sareng ngajurung dunga ka
siswa-siswi kelas XII anu parantos lulus ti ieu sakola.
Solawat miwah miwah salam mugi salamina dicurah limpakrun ka jungjunan alam, Nabi Muhammad Saw, ka
kulawargana, ka para sohabatna, ka jalmi-jalmi anu saroléh, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu tumut kana
ajaranna.
Hadirin hormateun sim kuring, danget ieu kebek ku kabingah sareng kabagja. Rehing siswa siswi kelas XII parantos tamat
diajar, nyukcruk élmu di ieu sakola. Enggoning diajar ngulik pangarti nyiar pangabisa di ieu sakola. Kantenan ieu téh hiji
kareueus kanggo urang nu janten sepuhna.
Salami tilu taun parasiswa diatik sareng diaping ku ibu kalih bapa guru, dipaparin élmu keur pibekelen maranéhna jaga
dina mangsa nu bakal datang. Diajar téh teu cukup ku di sakola, dididik ku ibu sareng bapa guru wungkul. Nu langkung
utama mah nyaéta didikan ti ibu sareng bapa guru wungkul. Nu langkung utama mah nyaéta didikan ti ibu sareng ramana.
Ka hidel sadaya, siswa kelas XII anu bade ngantunkeun ieu sakola, ibu sareng bapa guru mung tiasa ngajurung, muga
hidep sadaya sing tiasa neraskeun sakola ka nu langkung luhur. Sing langkung suhud diajar sareng motékar néangan élmu.
Sabab élmu téh kasaktén diri. Geuning aya dina sisindiran, lauk emas nyuhun ganggeng, disamberan ku japati, boga emas
moal langgeng, teu cara boga pangarti. Elmu mah langgeng teu kawas harta banda, tur hampang teu riba mamawana.
Mugi mugi hidep sadaya sing jucung sing nanjung. Dina réngkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan
masarakat. Urang mah urang Sunda, kawentar tatakramana. Adab sopan ka sasama, hadé budi tur soméah. Rengkuh ajrih
ka saluhureun, héman nyaah ka sasama, béar bageur ka sahandapeun. Lamun seug ku hidep dicekel jadi papagon dina hirup
kumbuh sadidinten, tinangtu hidep jadi jalma nu dihormat tur diajénan ku nu lian.
Pamungkas, ibu sareng bapa guru mung saukur ngajurung laku, mugia naon rula anu jadi harepan jeung cita-cita hidep
sadaya, sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana ibu kalih bapa guru sadayana, nyuhunkeun dihapunten bilih aya
kalepatan. Clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.
Sakitu nu kapihatur, langkung saur bahé carék, hapuntenna anu kasuhun.
Wassalamualaikum Wr Wb
Hatur Nuhun
Novianti Indriani, S.Pd
Ig @indrianinovianti
Téks Biantara 9

More Related Content

Similar to PPT BIANTARA.pptx

Similar to PPT BIANTARA.pptx (14)

Buku guru kls 7
Buku guru kls 7Buku guru kls 7
Buku guru kls 7
 
Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11
 
Kelas 1 pdf 2014
Kelas 1 pdf 2014Kelas 1 pdf 2014
Kelas 1 pdf 2014
 
Biantara.docx
Biantara.docxBiantara.docx
Biantara.docx
 
panduan Biantara anak BBJB 2023-SD.pptx
panduan Biantara anak  BBJB 2023-SD.pptxpanduan Biantara anak  BBJB 2023-SD.pptx
panduan Biantara anak BBJB 2023-SD.pptx
 
BIANTARA.pptx
BIANTARA.pptxBIANTARA.pptx
BIANTARA.pptx
 
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
 
Basa sunda
Basa sundaBasa sunda
Basa sunda
 
Buku guru kls 9
Buku guru kls 9Buku guru kls 9
Buku guru kls 9
 
Biantara
BiantaraBiantara
Biantara
 
Buku guru sunda kls 1 2014
Buku guru sunda kls 1  2014Buku guru sunda kls 1  2014
Buku guru sunda kls 1 2014
 
biantara basaha sunda
biantara basaha sundabiantara basaha sunda
biantara basaha sunda
 
Adat istiadat sunda
Adat istiadat  sundaAdat istiadat  sunda
Adat istiadat sunda
 
Materi Tentang Pola Pikir Orang Bahasa Sunda
Materi Tentang Pola Pikir Orang Bahasa SundaMateri Tentang Pola Pikir Orang Bahasa Sunda
Materi Tentang Pola Pikir Orang Bahasa Sunda
 

PPT BIANTARA.pptx

  • 2. Runtuyan Materi Padika Nyusun Sawatara Hal Anu Kudu Diperhatikeun Wangenan Biantara Métode Biantara Struktur / Sistematika Naskah Biantara Conto Téks Biantara Téks Biantara 2
  • 3. Padika Nyusun Biantara 1 Jejerna aktual Hartina kudu luyu jeung situasi sarta kondisi nu kiwari keur alus dipadungdengkeun 2 Rangkayna weweg Hartina rangkay tulisan dumasar kana struktur biantara nu ngawengku bagian bubuka, eusi, jeung panutup. 3 Eusina mundel Hartina réa mangpaat jeung pulungeunana. Téks Biantara 3 4 Basana hadé Hartina basa nu digunakeun kudu beunghar jeung euyeub ku mamanis basa.
  • 4. Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun: Sora (artikulasi), hartina sora kudu bedas jeung tatag Lentong, hartina lentong atawa nada ngomong kudu mernah luyu jeung lentong basa Sunda Wirahma, hartina patali jeung anca atawa gancang jeung tarikna halonna dina nyarita. Nada, hartina patali jeung rasa eusi biantara Téks Biantara 4 Pasemon (ekspresi), hartina patali jeung nada anu dikedalkeun luyu jeung eusi biantara Pasang peta (gestur), hartina patali jeung gerak awak nu épéktif anu teu kaleuleuwihi
  • 5. Wangenan Biantara Biantara nyaéta nyarita dihareupeun balaréa ngeunaan hiji hal dina acara anu sipatna resmi atawa satengah resmi. Téks Biantara 5
  • 6. Métode Biantara Téks Biantara 6 MÉTODE KONSEP/ ÉKSTEMPORAN métode biantara nu teu ngagunakeun naskah biasa na nyusun garis badagna nu rék di tepikeun MÉTODE IMPROMTU/SERTA MERTA métode biantara nu masar nu ngadadak teu tatanar heula ngan ngandelkeun pangaweruh jeung ka mahéran nu kacangking ku dirina. MÉTODE APALAN métode nu dirancang heula ti anggalna kalayan ditulis lengkep tur di apalkeun MÉTODE NASKAH métode biantara nu sering di gunakeun dina acara- acara resmi biasa na geus disiapkeun naskahna kari macakeun wungkul
  • 7. Struktur / Sistematika Naskah Biantara Bubuka salam bubuka, muqadimah, ucapan panghormat kanu hadir Eusi nerangkeun inti pasoalan ka audien/ pamirsa, kacindekan Panutup sanduk- sanduk, nepikeun du'a, salam panutup Téks Biantara 7
  • 8. Conto Téks Biantara Téks Biantara 8 Pangjurung Laku (biantara wawakil guru) Assalamualaikum Wr Wb Alhamdulillahirobbil alamin. Washolatu assalamu ala asrafil anbiyai wal mursalin, sayyidina muhammadin wa ala alihi washohbihi ajmain. Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Alhamdulillah, dina danget ieu urang sadaya dipaparin kaséhatan sareng kakiatan, tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tineung sareng ngajurung dunga ka siswa-siswi kelas XII anu parantos lulus ti ieu sakola. Solawat miwah miwah salam mugi salamina dicurah limpakrun ka jungjunan alam, Nabi Muhammad Saw, ka kulawargana, ka para sohabatna, ka jalmi-jalmi anu saroléh, tug dugi ka urang sadaya salaku umatna anu tumut kana ajaranna. Hadirin hormateun sim kuring, danget ieu kebek ku kabingah sareng kabagja. Rehing siswa siswi kelas XII parantos tamat diajar, nyukcruk élmu di ieu sakola. Enggoning diajar ngulik pangarti nyiar pangabisa di ieu sakola. Kantenan ieu téh hiji kareueus kanggo urang nu janten sepuhna. Salami tilu taun parasiswa diatik sareng diaping ku ibu kalih bapa guru, dipaparin élmu keur pibekelen maranéhna jaga dina mangsa nu bakal datang. Diajar téh teu cukup ku di sakola, dididik ku ibu sareng bapa guru wungkul. Nu langkung utama mah nyaéta didikan ti ibu sareng bapa guru wungkul. Nu langkung utama mah nyaéta didikan ti ibu sareng ramana. Ka hidel sadaya, siswa kelas XII anu bade ngantunkeun ieu sakola, ibu sareng bapa guru mung tiasa ngajurung, muga hidep sadaya sing tiasa neraskeun sakola ka nu langkung luhur. Sing langkung suhud diajar sareng motékar néangan élmu. Sabab élmu téh kasaktén diri. Geuning aya dina sisindiran, lauk emas nyuhun ganggeng, disamberan ku japati, boga emas moal langgeng, teu cara boga pangarti. Elmu mah langgeng teu kawas harta banda, tur hampang teu riba mamawana. Mugi mugi hidep sadaya sing jucung sing nanjung. Dina réngkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masarakat. Urang mah urang Sunda, kawentar tatakramana. Adab sopan ka sasama, hadé budi tur soméah. Rengkuh ajrih ka saluhureun, héman nyaah ka sasama, béar bageur ka sahandapeun. Lamun seug ku hidep dicekel jadi papagon dina hirup kumbuh sadidinten, tinangtu hidep jadi jalma nu dihormat tur diajénan ku nu lian. Pamungkas, ibu sareng bapa guru mung saukur ngajurung laku, mugia naon rula anu jadi harepan jeung cita-cita hidep sadaya, sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana ibu kalih bapa guru sadayana, nyuhunkeun dihapunten bilih aya kalepatan. Clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan. Sakitu nu kapihatur, langkung saur bahé carék, hapuntenna anu kasuhun. Wassalamualaikum Wr Wb
  • 9. Hatur Nuhun Novianti Indriani, S.Pd Ig @indrianinovianti Téks Biantara 9