1. - Kawih
Kawih nyaeta lalaguan sunda anu bebas/ teu kauger/ teu kaiket ku aturan.
Conto kawih :
Angin PrianganSeungit angin priangan
ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.
Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutanduh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.
Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.
- Tembang
Tembang nyaeta lalaguan sunda anu kauger ku guru lagu sareng guru wilangan
Maghrib
Tah sora bedug batur tanda geus maghrib
Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid
Beulah kulon hibar layung
ngajak muji ka Yang Agung
- Kakawihan
Kakawihan nyaeta kawih nu osok di haleuangkeun ku barudak leutik mun keur arulin
AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
2. Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat)
nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna
Pupuh 1: Asmarandana
Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-mang-
ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )
Dangding teh nya eta karangan ugeran (puisi) dina wangun pupuh (bisa
ditembangkeun), atawa sarua jeung guguritan
Wawangsalan Dangding
Asmarandana
Réa sisit lain peusing
kandel bulu lain hayam
awakna pinuh ku panon
kukuncungan lain merak
nya beureum lain hideung
buntutna ngacung ka luhur
paranas nya pipikiran (danas/ganas)
2. harti sajak
Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan
wangunan.[1]Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi oge disebut
sanjak.
4. hal-hal anu naon wae anu kudu diperhatikeun dina maca sajak?
Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun upama urang maca sajak dihareupeun balarea,
diantarana:
1. Lenyepan
samemeh maca hiji sajak, urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak sagemblengna.
3. Nyaritakeun naon eta sajak, kumaha watekna, naha nyaritakeun perkara anu pikabungaheun,
pikasediheun, pikaketireun, ngahudang sumanget, jeung sajabana. Mun bisa, kudu apal kana
temana: silihasih, kritik sosial, piwulang, jeung sajabana.
tina hasil ngalenyepan teh urang baris bisa napsirkeun eta sajak anu engkena ditepikeun ka balarea
2. Vokal
vokal nu dimaksud di dieu, patalina jeung sora. Sorana kudu bentes tur "buleud", dina harti tetela
kadengena bari henteu kudu gogorowokan
3. nada jeung Rasa
Nada jeung Rasa nu dimaksud di dieu patalina jeung sikep dina nepikeun eta sajak. Naha nadana
sinis, nyungkun, tumamprak, mikamelang, jsb. Ari rasana naha pikabungaheun, pikakeuheuleun,
pikasediheun, jst. Sikep urang dina maca sajak kudu saluyu jeung nada katut rasa anu dikandung
dina eta sajak
4. wirahma
wirahma anu dimaksud di dieu nya eta anca-gancangna dina maca sajak. kaasup randegan jeung
lentong. Urang kudu apal, di mana randegan anu sakedapan, di mana randegan anu rada lila. Kitu
deui jeung lentong. lentong kalimah wawaran, upamana beda jeung lentong kalimah pananya.
Lentong anu sedih, moal sarua jeung lentong anu ngagendurkeun sumanget. Kitu deui lentong Basa
Sunda, tangtu beda jeung lentong Basa Indonesia
5. Anu dimaksud ekspresi di dieu nyaeta ebrehan jiwa anu diantarana bae katembong sacara fisik
dina paroman (mimik) jeung pasang peta (gestur). Paroman dina maca sajak anu pikasediheun,
upamana, jelas moal sarua jeung maca sajak anu hegar. Kitu deui jeung pasang petana.
6. tulis kalimah babasan jeung kalimahna
• Amis budi
Hartina téh nyaéta jalma anu hadé budi. Teu weléh seuri ka batur.
( Artinya yaitu orang yang budi pekertinya baik. Murah senyum kepada
orang-orang. )
Conto kalimahna:
Lamun urang amis budi tangtu bakal dipikaresep ku batur.
• Leutik burih
Hartina téh nyaéta leutik haté , kurang kawani, atawa borangan.
( Artinya yaitu berhati kecil, kurang keberanian, atau penakut. )
4. Conto kalimahna:
Abdi mah lain jalma anu leutik burih , abdi mah ludeung arék kamana ogé .
• Gedé hulu
Hartina téh nyaéta sombong atawa adigung.
( Artinya yaitu sombong. )
Conto kalimahna:
Jadi jalma mah ulah gedé hulu, bisi diomong batur.
• Epés méér
Hartina téh babari ceurik, babari putus asa.
( Artinya yaitu mudah menangis, mudah putus asa. )
Conto kalimahna:
Néng Nina mah baku ari tos kitu téh, épés méér pisan.
• Laér gado
Hartina resep ménta ka batur.
( Artinya senang meminta ke orang lain. )
Conto kalimahna:
Atuh si Dudu mah kasohor pisan manéhna laér gado .