SlideShare a Scribd company logo
1 of 22
PAKEMAN BASA
Kelas IX
PAKEMAN BASA
Pakeman basa nya éta basa atawa kekecapan anu geus matok, angger sarta
ngabogaan harti husus. Anu kaasup kana pakeman basa, di antarana babasan
jeung paribasa, gaya basa, uga, cacandra, pamali, jeung kila-kila.
BABASAN JEUNG PARIBASA
Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun jeung bujangga Sundanu
mibanda sistem ajenin ajen aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuanjaman.
Paribasa jeung babasan ditilik tina tingkatan budaya kaasup kana tingkat karsa,
anu eusina ngandung rupa-rupa maksud enggoning ngahontal kadamean,
katengtreman, kaadilan, panyalindungan dina nyorang parobahan budaya ti
mangsa ka mangsa.
Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta wawaran luang,pangjurung
laku hade, jeung panyaram lampah salah.
PARIBASA WAWARAN LUANG
Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun.
Picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan, sedengkeunpieunteungeun
mah jadi gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Contona:
• Uyah mah tara téés ka luhur
Hartina: Tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiatkolotna
• Uncal tara ridueun ku tanduk
Hartina: boga élmu pangaweruh mah moal hésémamawa
• Wiwirang dikolongcatang nya gede nya panjang
Hartina: ngalaman hiji kajadian anu matakpikaéraeun
• Umur gagaduhan, banda sasampiran
Hartina: Umur jeung harta banda hakékatna milik AllahSwt.
• Ungguh baléwatangan
Hartina: dibawa ka pangadilan
PANYARAM LAMPAH SALAH
Contona:
• Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan
Hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani
• Ulah koméok méméh dipacok
Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba
• Ulah incah balilahan
Hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
• Ulah nyeungceurikan upih ragrag
Hartina: Ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman
• Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
Hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana
PANGJURUNG LAKU HADÉ
Contona:
• Kudu bisa ngeureut pakeun
Hartina: Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi
• Kudu boga pikir rangkepan
Hartina: Ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga.
• Kudu hadé gogod hadé tagog
Hartina: Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
• Kudu nepi méméh indit
Hartina: Kudu direncanakan kalawan asak
• Kudu bisa kabula kabalé
Hartina: Kudu bisa mawa awak
Conto Babasan jeung Paribasa
 Legok tapak genténg kadék
Hartina: loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
 Kudu bisa ngereut neundeun
Hartina: kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anusaeutik
 Heurin ku létah
Hartina: teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu
 Kumaha bulé hideungna (baé)
Hartina: kumaha engké baé buktina.
 Jati kasilih ku junti
Hartina: pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urangasing)
 Awak sampayan(eun)
Hartina: maké pakéan kumaha ogé pantesbaé.
 Asak jeujeuhan
Hartina: dipikiran heula masing anteb.
 Jadi kulit jadi daging
Hartina: jadi kabiasaan nu hésé dipiceun
Conto Babasan jeung Paribasa
 Aya bagja teu daulat
Hartina: rék meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteutulus.
 Jogjog neureuy buah loa
Hartina: miharep ka nu lain tanding
 Kuru cileuh kentél peujit
Hartina: ngurangan saré, ngurangan dahar (tirakat), lantaran aya nudimaksud.
 Indung hukum bapa darigama
Hartina: papadon agama jeung nagara
 Landung kandungan laér aisan
Hartina: gedé timbanganana, gedé pangampurana
 Kumaha kejebur caina geletuk batuna
Hartina: kumaha jadina bae, henteu jadipikiran
 Kudu bisa pindah cai pindah tampian
Hartina: kudu bisa nyaluyukeun jeung lingkungan anu anyardicicingan
HARTI BABASAN JEUNG PARIBASA
Panjang lengeun
Harti Injeuman : Jalma anu sok maling barang batur
Harti Kamus : Lengeun (bagian tina salah sahiji awak manusa)
Panjang (kecap sifat, lawan tina pondok)
KAPAMALIAN
KAPAMALIAN
Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh uranganu
maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok ayamatakna.
Éta larangan téh jadi aturan atawa norma nu kudu diéstokeun ku urang, salaku
anggota masarakat Sunda. Upama dilanggar, cenah bakal aya balukarna. Saliwat
mah éta alesan téh teu asup akal. Tapi, upama disawang tina kaarifan lokal nu
sabenerna mah miboga rasional ogé, lantaran aya patalina jeung étika.
CONTO KAPAMALIAN
 Ulah nambulan uyah, pamali bisi potong peujit;
 Ulah cicingdina lawang panto, pamali bisi hésé meunang jodo;
 Ulah maké baju bari leumpang, pamali bisi teu kalasanakeuncitacita
 Ulah sapaké jeung kolot, pamali bisi hapahui
 Ulah mandi pabeubeurang, pamali bisi téréh péot;
 Ulah lila teuing cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot;
 Ulah dipapayung di jero imah, pamali bisi didatanganmaung
KILA-KILA
KILA-KILA
Kila-kila nya éta totondén (tanda-tanda) alam kana naon-naon anu bakal kajadian.
Kahirupan sapopoé kolot atawa karuhun urang jaman baheula mah leuwih dalit
jeung alam. Kolot urang mah baheula ngamalkeun palsapah yén “manusa miara
alam nya kitu ogé alam miara manusa”.
CONTO KILA-KILA
 Lamun aya kukupu hiber di jero imah =rék ayatamu
 Lamun ngimpi néwak lauk =rék meunang duit
 Lamun kekenudan panon kenca =rék manggih kasedih
 Lamun kekenudan panon katuhu =rék manggih kabagjaan
 Lamun murag bulu mata =aya nu sono ka urang
 Lamun panas ceuli =aya nu ngomongkeun
 Lamun aya sora manuk sit uncuing =bakal aya nu maot
 Lamun aya sora manuk bebencé =tanda aya bangsat keur kukulamprengan néanganpalingeun
CACANDRAN
CACANDRAN
Cacandran téh nyaéta caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagarajaga
atawa dina jaman nu bakal kasorang.
Kecap cacandran sok dihartikeun naon-naon nu matak jadi terang nepi ka terus
kaharti, sarta bisa dihartikeun ogé papatah.
CONTO CACANDRAN
• Cianjur katalajuran
katalanjuran tina kecap talanjur, hartinakaleuleuwihi
• Sumedang Ngarangrangan
ngarangrangan hartina (tatangkalan) nu mimiti daunna maruragan.
ngarangrangan asal tina kecap rangrang nyaéta régang anu teu daunan.
• Ciamis amis ku manéh
• Galunggung ngadeg tumenggung
• Sukapura ngadaun ngora,
• Bandung heurin ku tangtung
UGA
UGA
Uga atawa ramalan téh geus aya tibaheula mula. Uga lain ukur milik urang Sunda,
tapi sélér bangsa séjén ogé aya, ngan béda-bédaistilahna.
Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hijiwaktu
bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nupikasusaheun.
Ngabuktina ramalan uga teu ukur bisa ditingali ku mata lahir, tapi kudu dibarengan
ku pikiran. Mun teu kaalaman ku urang, tangtu jaga ku anak incu urang.
Upama aya hiji kajadian anu mirip jeung nu disebutkeun dinauga, sok
diaromongkeun “geus tepi kana ugana”atawa “samorong ceuk uga”
CONTO UGA
• Jaga mah, barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
• Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram.
• Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék
pangkat, anak ménak teu naék pangkat.
• Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dinaiteuk,
nandakeun angker gawé nya buktina aya nu dagang dipagawéan.

More Related Content

More from heririan

Materi Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda Wawancara
Materi Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda WawancaraMateri Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda Wawancara
Materi Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda Wawancaraheririan
 
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).docFORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).docheririan
 
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).docFORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).docheririan
 
Drama-bahasa-sunda.pptx
Drama-bahasa-sunda.pptxDrama-bahasa-sunda.pptx
Drama-bahasa-sunda.pptxheririan
 
Kawih Kelas XI.pptx
Kawih Kelas XI.pptxKawih Kelas XI.pptx
Kawih Kelas XI.pptxheririan
 
Presentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptxPresentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptxheririan
 
Presentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptxPresentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptxheririan
 
Silabus B.ING SMA 10 SMT 1.docx
Silabus B.ING SMA 10 SMT 1.docxSilabus B.ING SMA 10 SMT 1.docx
Silabus B.ING SMA 10 SMT 1.docxheririan
 
PPT_G10_Past Event
PPT_G10_Past EventPPT_G10_Past Event
PPT_G10_Past Eventheririan
 
Descriptive Text
Descriptive TextDescriptive Text
Descriptive Textheririan
 

More from heririan (10)

Materi Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda Wawancara
Materi Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda WawancaraMateri Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda Wawancara
Materi Bahasa Sunda Materi Bahasa Sunda Wawancara
 
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).docFORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 7).doc
 
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).docFORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).doc
FORMAT KISI-KISI PSTS 1 (SMP 9).doc
 
Drama-bahasa-sunda.pptx
Drama-bahasa-sunda.pptxDrama-bahasa-sunda.pptx
Drama-bahasa-sunda.pptx
 
Kawih Kelas XI.pptx
Kawih Kelas XI.pptxKawih Kelas XI.pptx
Kawih Kelas XI.pptx
 
Presentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptxPresentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptx
 
Presentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptxPresentasi PKKS SMA 2022.pptx
Presentasi PKKS SMA 2022.pptx
 
Silabus B.ING SMA 10 SMT 1.docx
Silabus B.ING SMA 10 SMT 1.docxSilabus B.ING SMA 10 SMT 1.docx
Silabus B.ING SMA 10 SMT 1.docx
 
PPT_G10_Past Event
PPT_G10_Past EventPPT_G10_Past Event
PPT_G10_Past Event
 
Descriptive Text
Descriptive TextDescriptive Text
Descriptive Text
 

Pakeman Basa.pptx

  • 2. PAKEMAN BASA Pakeman basa nya éta basa atawa kekecapan anu geus matok, angger sarta ngabogaan harti husus. Anu kaasup kana pakeman basa, di antarana babasan jeung paribasa, gaya basa, uga, cacandra, pamali, jeung kila-kila.
  • 4. Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun jeung bujangga Sundanu mibanda sistem ajenin ajen aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuanjaman. Paribasa jeung babasan ditilik tina tingkatan budaya kaasup kana tingkat karsa, anu eusina ngandung rupa-rupa maksud enggoning ngahontal kadamean, katengtreman, kaadilan, panyalindungan dina nyorang parobahan budaya ti mangsa ka mangsa. Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta wawaran luang,pangjurung laku hade, jeung panyaram lampah salah.
  • 5. PARIBASA WAWARAN LUANG Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun. Picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan, sedengkeunpieunteungeun mah jadi gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan. Contona: • Uyah mah tara téés ka luhur Hartina: Tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiatkolotna • Uncal tara ridueun ku tanduk Hartina: boga élmu pangaweruh mah moal hésémamawa • Wiwirang dikolongcatang nya gede nya panjang Hartina: ngalaman hiji kajadian anu matakpikaéraeun • Umur gagaduhan, banda sasampiran Hartina: Umur jeung harta banda hakékatna milik AllahSwt. • Ungguh baléwatangan Hartina: dibawa ka pangadilan
  • 6. PANYARAM LAMPAH SALAH Contona: • Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan Hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani • Ulah koméok méméh dipacok Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba • Ulah incah balilahan Hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia • Ulah nyeungceurikan upih ragrag Hartina: Ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman • Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana
  • 7. PANGJURUNG LAKU HADÉ Contona: • Kudu bisa ngeureut pakeun Hartina: Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi • Kudu boga pikir rangkepan Hartina: Ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga. • Kudu hadé gogod hadé tagog Hartina: Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna. • Kudu nepi méméh indit Hartina: Kudu direncanakan kalawan asak • Kudu bisa kabula kabalé Hartina: Kudu bisa mawa awak
  • 8. Conto Babasan jeung Paribasa  Legok tapak genténg kadék Hartina: loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.  Kudu bisa ngereut neundeun Hartina: kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anusaeutik  Heurin ku létah Hartina: teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu  Kumaha bulé hideungna (baé) Hartina: kumaha engké baé buktina.  Jati kasilih ku junti Hartina: pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urangasing)  Awak sampayan(eun) Hartina: maké pakéan kumaha ogé pantesbaé.  Asak jeujeuhan Hartina: dipikiran heula masing anteb.  Jadi kulit jadi daging Hartina: jadi kabiasaan nu hésé dipiceun
  • 9. Conto Babasan jeung Paribasa  Aya bagja teu daulat Hartina: rék meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteutulus.  Jogjog neureuy buah loa Hartina: miharep ka nu lain tanding  Kuru cileuh kentél peujit Hartina: ngurangan saré, ngurangan dahar (tirakat), lantaran aya nudimaksud.  Indung hukum bapa darigama Hartina: papadon agama jeung nagara  Landung kandungan laér aisan Hartina: gedé timbanganana, gedé pangampurana  Kumaha kejebur caina geletuk batuna Hartina: kumaha jadina bae, henteu jadipikiran  Kudu bisa pindah cai pindah tampian Hartina: kudu bisa nyaluyukeun jeung lingkungan anu anyardicicingan
  • 10. HARTI BABASAN JEUNG PARIBASA Panjang lengeun Harti Injeuman : Jalma anu sok maling barang batur Harti Kamus : Lengeun (bagian tina salah sahiji awak manusa) Panjang (kecap sifat, lawan tina pondok)
  • 12. KAPAMALIAN Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh uranganu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok ayamatakna. Éta larangan téh jadi aturan atawa norma nu kudu diéstokeun ku urang, salaku anggota masarakat Sunda. Upama dilanggar, cenah bakal aya balukarna. Saliwat mah éta alesan téh teu asup akal. Tapi, upama disawang tina kaarifan lokal nu sabenerna mah miboga rasional ogé, lantaran aya patalina jeung étika.
  • 13. CONTO KAPAMALIAN  Ulah nambulan uyah, pamali bisi potong peujit;  Ulah cicingdina lawang panto, pamali bisi hésé meunang jodo;  Ulah maké baju bari leumpang, pamali bisi teu kalasanakeuncitacita  Ulah sapaké jeung kolot, pamali bisi hapahui  Ulah mandi pabeubeurang, pamali bisi téréh péot;  Ulah lila teuing cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot;  Ulah dipapayung di jero imah, pamali bisi didatanganmaung
  • 15. KILA-KILA Kila-kila nya éta totondén (tanda-tanda) alam kana naon-naon anu bakal kajadian. Kahirupan sapopoé kolot atawa karuhun urang jaman baheula mah leuwih dalit jeung alam. Kolot urang mah baheula ngamalkeun palsapah yén “manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa”.
  • 16. CONTO KILA-KILA  Lamun aya kukupu hiber di jero imah =rék ayatamu  Lamun ngimpi néwak lauk =rék meunang duit  Lamun kekenudan panon kenca =rék manggih kasedih  Lamun kekenudan panon katuhu =rék manggih kabagjaan  Lamun murag bulu mata =aya nu sono ka urang  Lamun panas ceuli =aya nu ngomongkeun  Lamun aya sora manuk sit uncuing =bakal aya nu maot  Lamun aya sora manuk bebencé =tanda aya bangsat keur kukulamprengan néanganpalingeun
  • 18. CACANDRAN Cacandran téh nyaéta caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagarajaga atawa dina jaman nu bakal kasorang. Kecap cacandran sok dihartikeun naon-naon nu matak jadi terang nepi ka terus kaharti, sarta bisa dihartikeun ogé papatah.
  • 19. CONTO CACANDRAN • Cianjur katalajuran katalanjuran tina kecap talanjur, hartinakaleuleuwihi • Sumedang Ngarangrangan ngarangrangan hartina (tatangkalan) nu mimiti daunna maruragan. ngarangrangan asal tina kecap rangrang nyaéta régang anu teu daunan. • Ciamis amis ku manéh • Galunggung ngadeg tumenggung • Sukapura ngadaun ngora, • Bandung heurin ku tangtung
  • 20. UGA
  • 21. UGA Uga atawa ramalan téh geus aya tibaheula mula. Uga lain ukur milik urang Sunda, tapi sélér bangsa séjén ogé aya, ngan béda-bédaistilahna. Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hijiwaktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nupikasusaheun. Ngabuktina ramalan uga teu ukur bisa ditingali ku mata lahir, tapi kudu dibarengan ku pikiran. Mun teu kaalaman ku urang, tangtu jaga ku anak incu urang. Upama aya hiji kajadian anu mirip jeung nu disebutkeun dinauga, sok diaromongkeun “geus tepi kana ugana”atawa “samorong ceuk uga”
  • 22. CONTO UGA • Jaga mah, barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api. • Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram. • Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék pangkat, anak ménak teu naék pangkat. • Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dinaiteuk, nandakeun angker gawé nya buktina aya nu dagang dipagawéan.