1. Contoh Biantara/Pidato Pendek Basa Sunda
18.09 Sena No comments
Kabersihan Sakola
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru ku simabdi dipihormat jeung siswa kelas X-3 nu ku abdi dipikacinta. Langkung
ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Tuhan YME nu parantos maparin
waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun
sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib
ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti
ayuena.
Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor . Bersih tina eta sadaya teh nu
didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu
mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem,
bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi
kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatianana