1. Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Alhamdulillahi robbil ‘alamin,
Asyhadu allailaha illalloh waasyhadu anna Muhammad darrosululloh,
Allohumma sholli ‘ala sayyidina Muhammad
Wa’ala alihi sayyidina Muhammad
Ibu Kapala Sakola, sareng Ibu Guru anu dipihormat ku abdi
Réréncangan sadaya anu dipikacinta ku abdi
Teu karaos dinten ieu dinten anu panungtung
Urang tiasa ngariung,
Teu karaos sataun lamina urang sasarengan.
Milari élmu di ieu sakola.
Ibu guru, abdi sareng dulur-dulur
Parantos nampi rupi-rupi élmu ti ibu.
Abdi parantos ngarérépot ibu,
Ayeuna abdi kedah mios ngantunkeun ibu,
Ngantunkeun sakola ieu
Ibu guru, abdi teu tiasa mulang tarima kana kasaéan ibu guru sadaya,
Duka kedah kumaha abdi sumanggemna,
Saur paripaos beurat nyuhun
Beurat naggung, beurat narimakeunana,
Abdi mung tiasa nyuhunkeun ka Alloh Subhanahu Wata’ala
Mudah-mudahan sadaya kasaéan ibu
Kénging ganjaran ti Alloh,
Mugia ibu guru kénging kabagjaan dunya sreng akhérat
Abdi badé miang, badé milari élmu di tempat sanés,
Pidu’ana ibu, éta pisan anu ku abdi dipundut.
Mudah-mudahan Alloh nyarengan urang sadayana.
Amin...amin...amin ya robbal ‘alamin
Ibu, abdi hapunten sabudaya kalepatan abdi sareng dulur abdi
Pileuleuyan ibu Guru
Pileuleuyan sakola abdi
Pileuleuyan dulur-dulur sadaya
Sapu nyéré pegat simpay,
Paturay patepang deui
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh