Dokumen tersebut memberikan pesan tentang pentingnya menjalankan ibadah puasa pada bulan Ramadhan dengan taat dan ikhlas serta menjalankan ajaran-ajaran Islam lainnya seperti salat, zakat, silaturahmi, dan akhlak mulia. Dokumen tersebut juga mengingatkan untuk selalu patuh kepada Allah SWT dan menghindari larangan-Nya agar mendapatkan ridho-Nya.
Prov.Jabar_1504_Pengumuman Seleksi Tahap 2_CGP A11 (2).pdf
Ceramah idul fitri
1. Assalamu’alaikum Wr.Wb
ALHAMDU LILLAHIL LADZI JA’ALAL YAUMA ‘IDAL LI’BAADIHIL MU’MININ,
WAKHATAMA BIHI SYAHRISY SYIYAM LILMUKHLISHIN WAJA’ALA FI THA’ATIHI ‘IZZAD
DUNYA WAL AHIRATI LITH THA- I’NI WAFI MA’SHIYATIHI DZULAD DARAINI
LIL’ASHIN.
Mangga urang sami-sami manjateun puji sareng syukur ka dzat Allah SWT, berkat
rahmat sareng karunia Anjeuna, urang sadaya tiasa ngalaksanakeun saum saluyu sareng kaitan
urang. Sasasih lamina urang sadayana ngalaksanakeun ibadah saum, nahan lapar sareng hanaang,
ngalatih mental, ngatur diri tina pangajak nafsu syaitan, ngantunkeun rupi-rupi nu matak
ngareksak kana pergaulan masyarakat, dina wengina urang ngalaksanakeun salat taraweh, witir,
malah ditambih ku tadarusan. Sadaya masjid pinuh ku sepuh murangkalih, istri pameget karana
disiplin taat ngalaksanakeun parentah Allah SWT. Urang sadaya dididik, dilatih sarta meunang
palajaran-palajaran dina bulan Ramadhan, urang tiasa ngarasakeun kumaha rasana lapar, rasana
hanaang, ku hikmah ngalaksanakeun saum hingga timbul rasa nyaah kasasama. Anu mampuh
sareng kiat pada ngaluarkeun zakat atawa zakat fitrah, infaq sareng sodaqoh, boh peratawisan
amylin BAZ atawa langsung dipasihkeun ka fakir miskin, sangkan maranehna ngiring bingah
sareng gumbira dina poe lebaran. Teu aya pajabat anu luhur sareng rendahan, teu aya anu wates
anatara pamimpin sareng rakyat, anatara nu miskin jeung nu beunghar, teu kawates ku golongan
sareng turunan, sadayana sami “ALAA KALIMATIN SAWA”, dina tujuan sareng maksud anu
sami nyaeta hoyong aya dina panghampura Allah, kalayan tiasa taqwa ka Anjeuna. Salahsawios
ciri jalmi anu taqwa tiasa ningalikeun cahaya Islam, nu mapesan saniskaten hirup sareng
kahirupan sadidintenna, margi Islam kacida nekenkeun segi moral anu disebat “Akhlaqul
Karimah”, saluyu sareng pangankatan salaku Nabi sareng rasul Rasul Muhammad SAW.
INNAMA BU'ITSTU LIUTAMMIMA MAKARIMAL AKHLAQ
“Saenyana kami diutus ku Allah pikeun nyampurnakeun akhlak manusa”
Dina saat ‘idul fithri’ sawadina nu aranom ting araleut nyumpingan ka sepuh-sepuhna,
sedeng sepuh-sepuh nampi kasumpingan ku nu aranom saha bae, teu kacariosken aya jalmi anu
nolakkan salam silaturahmi dina dinten lebaran engke. Sembah sungkem pala putra putu,
kadang-kadang disarengan ku ngaluarkeun cai soca dina lahunan ibu ramana. Kacida hadena
upami pademelan kitu teh dilaksanakeun sadidintenna, Insya Allah upami kitu moal kapendak
sareng kakuping aya murangkalih anu ingkar ka sepuhna, moal aya kajantenan pala putra teu
ngahormat ka sepuhna, salamina bakal taat kana nasehat sepuh-sepuhna. Moal aya para remaja
miceunan waktos, bakal getol diajarna, moal aya para remaja nu nanggeuhkeun kakayaan sareng
kapangkatan ibu ramana. Sadayana para sepuh sami pada ngagaduhan kahoyong nyaeta hoyong
2. gaduh putra anu taat sareng soleh, getol diajar sareng sae ka ibu ramana, pon kitu deui ka sasama
manusa, sakumaha wasiat Allah dina surat Lukman ayat 14 :
WAWASH SHAINAL ISNAANA BIWAALIDAIHI HAMALATHU UMMUHU
WAHNAN ‘ALAA WAHNIN WAFISHALUHU FII ‘AMAINI ANISYKUR LII
WALIWALIDAIKA ILAYYAL MASHIR.
“Jeung ngawasiatan kami kamanusa-manusa, supaya migawe kahadean ka indung bapa, indung
nu geus ngandung ( salapan bulan ) bari kaayaan susah payah, kakara sanggeusna dua taun
dipisah tina cai susu indungna, supaya daek syukuran maraneh ka kami, jeung ka indung bapa
maraneh, jeung ka kami maraneh bakal marulang.”
Salajengna Allah nganasehatan deui dina surat surat Lukman ayat 17-18, anu hartosna :
”He anakaing adegkeun ku maneh shalat, ajak ka manusa kana migawe kahadean sarta nyegah
tina kamungkaran kalayan sabar dina mayunan cobaan dirina. Ulah angkuh dina kahirupan di
dunya, saestuna Allah teu mikaresep ka jalma anu angkuh, pigawe sederhana dina kahirupan
maraneh ka saha bae, karana saenyana panggorengna sora nyaeta sora himar.”
Hadirin sadaya, islam ngajarkeun ka manusa supaya aya dina kasadaran, kasadaran jalma
muslim dina sagala ngalaksanakeun sagala parentah Allah, pangwangunan lahir katut batin, sarta
nebihan tina saniskanten nu dilarang ku Anjeuna moal aya rasa dipaksa, jadi nyata dina diri
jalma muslim anu taqwa ngagaduhan kayakinan, yen dirina salami diuninga ku Allah.
Dawuhan Allah dina Al-Qur’an surat Al-baqarah ayat 187 :
3. WA IDZAA SA-ALAK ‘IBADI ‘ANNI FA INNI QARIB UJIBU DA’WATAD DA’I
DA;ANI FALYASTAJIBULI WALYU’MINUBI LA’ALLAKUM YARSYUDUN.
“Jeung dimana-mana nanyakuen ka anjeun abdi- abdi Kami perkara Kami, mangka jawab ku
anjeun, saenyana Kami teh deukeut, Kami nu nyumponan pamenta maraneh, mangka geura
laksanakeun parentah Kami, sangkan maraneh meunang pituduh.”
Upami urang salaku muslimin anu taqwa ka Allah, kalayan sadar jeung rumasa tina saniskanten
kakirangan anu aya dina diri pribadi masing-masing, sahingga ngagugah kana hoyong
ngadangdosan bari moal ngawangsulan deui kana padamelan anu goreng, Insya Allah bakal
minuhan janji Rasulullah SAW.
Sakumaha dina haditsna :
MAN SHAMA RAMADHANA IMANAN WAHTISABAN GHUFIRA LAHU MA
TAQADDAMA MIN DZANBIHI.
“Sing saha jalma anu puasa dina bulan Ramadhan, karana iman jeung ngaharep ridho Allah,
bakal dihampura dosana nu tos kaliwat.”
Para saderek sadaya, Rasul-rasul Allah ti kawit Nabi Adam dugi ka Nabi Muhammad
SAW. Abdi-abdi Allah nu parantos nyadiakeun dirina kanggo mayunan naon bae, asal ajaran
Islam tiasa disebarkeun sareng dilaksanakeun di bumi, sangkan kahirupan umat manusa sajahtera
lahir katut batinna. Kahirupan Nabi Muhammad SAW, Sareng kulawargana cekap terhormat
saluyu sareng kadudukan salaku Nabi sareng Rasul, Pamimpin Umat, Pamimpin Agama,
Pamimpin Nagara, Rasulullah pupus teu ngantunkeun harta kakayaan, boh kebon korma atawa
anu sanesna, nanging anjeuna ngantunkeun bekel padoman hirup sareng kahirupan manusa
sangkan aya dina kasalametan dunya rawuh akherat. Nagara sareng bangsa kacida ngantosan
putra- putra anu sarae, nyaeta kuat imanna, pinter elmuna, luhur budi pekertina, taqwa ka Allah
sareng tat ka Rasulna, hormat ka ibu ramana, sae ka sasama hirupna, nyaeta janten jalmi anu
soleh. Rupina sakitu nu kapihatur kapayuneun saderek sadaya, mudah-mudahan aya gunana
katut manpaatnan. Amin !
Wassalamu’alaikum Wr.Wb