3. numutkeun lokasina, cigugur tèh
asup kawilayah Kab. Kuningan.
Lokasina bèh wètaneun Kuningan
sabudereun Gunung Ciremai. Ayana
di kalèreun Kota Cirebon tug jadi
daèrah nu nghubungkeun Cirebon,
Majalèngka, Ciamis jeung
Tasikmalaya.
Numutkeun sosio-Kultural Cigugur
tèh mangrupa wilayah anu mibanda
kaistimèwaan yèn Cigugur tèh
mangrupa kampung adat nu masih
ngajungjung tradisi, budaya, tur
kaarifan lokal Sunda. Ku kituna
Cigugur sok jadi tempat diajar
Kabudayaan Sunda.
Panganteur
Cigugur
4. Basa Sunda anu jadi basa sapopoéna nyaéta
Basa Sunda dialék Timur Laut anu padeukeut
jeung Basa Sunda Baku atawa Sunda dialék
Selatan anu dicirikeun ku masih
digunakeunna bentuk pepel “EU”. Mung
dina sababaraha kecap aya nu béda,
diantarana:
Panggunaan kecap “Kami” nu ngagantikeun
kecap “Saya” Indonésiana atawa “Abdi” nu
rubung dipaké di dialék Sunda Baku.
Panggunaan kecap “Nyaneh” nu
ngagantikeun kecap “Kamu” Indonésiana
atawa “manéh atawa anjeun” nu rubung
dipaké di dialék Sunda Baku.
“siapa, bagaimana, kenapa” dina basa Sunda
Baku “saha, kumaha, naha” ngan dina basa
Sunda dialék Timur Laut ngagunakeun kecap
“sadeh, kumadeh, jeung nadeh” nu jadi
cirina.
5. Gedung Paseban Tri
Panca Tunggal
Gedung Paséban Tri Panca
Tunggal. Gedung bodas
mencéyas jeung jandéla nu
gararedé. Di gedung ieu cucu
Kyai Madrais (Pupuhu aliran
Sunda Wiwitan), Djatikusumah,
mukim jeung katurunanna.
Tiap kaping 18 tikakeun kaping
22 Rayagung numutkeun
almanak Sunda. Ratusan jalma
datang ka Cigugur
ngarayakeun rangkéan acara
Sérén taun, ungkapan rasa
syukur masyarakat agraris
Sunda ka haribaan Gusti
Pangeran.