2. 1. HUBUNGAN MANUSA JEUNG
PRIBADINA
Dasar utamana nyaeta kayakinan anu kuat kana kakawasaan Alloh jeung kana
nasib. Percaya kana dirina jeung miboga prinsip hirup suapaya bisa mampuh
mikir dinamis jeung nembongkeun tingkah laku anu sabar, tawekal, sarta bisa
ngahampura kana kasalahan batur. Nu ahirna bisa kahontal sagala cita-citana.
3. 2. HUBUNGAN MANUSA JEUNG
MASARAKAT
Falsafah hirup urang Sunda ngeunaan hubungan jeung masarakat dibagi tilu
bagian nyaeta lingkungan kulawarga, lingkungan masarakat lega jeung
lingkungan kakawasaan nagara.
4. 1. Lingkungan kulawarga : kudu hormat ka indung bapa, kudu silih tulungan,
jeung ngahampura kana sagala kasalahan batur. Kudu silih jaga sangakan
teu ngalakukeun kasalahan sangkan teu dihina batur. Tong poho ka lembur
sorangan supaya bisa ngariung mungpulung jeung dulur.
2. Lingkungan masarakat lega: urang sunda lamun hirup kumbuh dimasarakat
kudu nyepeng sikep nu silih asah, silih asih, jeung silih asuh. Hartina urang
kudu silih pikanyaah, silih ngingetan sarta teu ngaganggu kana kahirupan
pribadina. Teteap silih dukung dina sagala hal.
3. Lingkungan kakawasaan nagara: tiap jalma kudu ngajungjung harkat
martabat, hukum, taat kana undang-undang jeung tong patukang tonggoh
jeung pamadegan batur, kudu mufakat.
5. 3. HUBUNGAN MANUSA JEUNG ALAM
Falsafah hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung alamn yaeta gambaran
salah sahiji tina lingkungan nu sarua pentingna jeung lingkungan social.
Lingkungan alam jeung social mangrupa hiji lingkungan kahirupan manusa
dimana wae ayana. Lingkungan alam ngawangun bentuk, ngawarnaan atawa jadi
objek tina munculna ide-ide jeung pola piker manusa.
Satiap nu usik di lingkungan alam aya waktu jeung aturanan. Manusa kudu
miboga elmu pangaweruh nu lega sangkan bisa ngalakukeun hubungan nu
harmonis. Nasib manusa geus diatur tapi kudu diatur ku dirina oge, ku sabab
kitu dina ngarubah nasib merlukeun kasabaran.
6. 4. HUBUNGAN MANUSA JEUNG
PANGERAN
1. percaya ayana pangeran
2. Pangeran teh maha tunggal (Esa)
3. Percaya kana sifat jeung kakawasaan pangeran
4. Tuntunan kebajikan ka manusa
7. 5. Ngeunaan manusa dina ngudag kamajuan
lahir jeung kapuasan batin
Dina kahirupan tradisi lisan jeung sastra, katembong urang sunda miboga
sawangan hirup yen kamajuan lahir jeung btain the sarua pentingna. Sifat
lahiriah kudu aya perhatian nu cukup, nyaeta awak, kulawarga, harta, jabatan
jeung lingkungan. Sedengkeun kahirupan batiniah aya hubunganana jeung
spirituan sarta moral, nyaeta hayang nenangkeun pikiran, tengtrem, bebeneran
pikeun ngahontal katengtreman rohaniah.