0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTASPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL
PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana
Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang
R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA-
RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega
Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). IKLAN Unay Sunardi, Dedi As-
marahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky
M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
D
ina pilihan legislatif, loba kepala daérah nu
milu kompanye. Nya tangtu dina pilihan
présidén gé moal teu kitu. Da, parakepala
daérah, saperti gupernur, walikota atawa bupati, jolna
ti partéy pulitik. Upama milu kompanye, kaasup
payus ditilik tina sisi kapentingan partéy pulitik mah.
Ngan, kumaha balukarna? Mun kepala daérah kom-
panye di lembur-lembur nu ‘kaéréh’ ku
pamaréntahanana, bisa jadi éta kepala daérah téh
pada ngabagéakeun. Atuh deuih, bisa waé pasilitas nu
disadiakeun ogé saperti ilaharna keur kepala daérah.
Mémang , sagala rupa gé aya aturanana. Lir maén
bal, aya rupa-rupa aturan. Boh waktuna maén boh tata
carana maén. Eta padika téh kudu jadi cecekelan
sakumna nu ilubiung dina éta ‘permaénan’.
Dina pilihan umum aya wasit. Aya pangawas di
saban tingkatan, kaasup di daérah-daérah. Eta patu-
gas téh ulah sambéwara, da kudu bener-bener mancén
gawé luyu jeung aturan. Sikepna, ulah cueut ka nu
hideung, ulah ponténg ka nu konéng. Hartina mah,
kudu jadi andelan sakumna pihak.
Mitra, tumali sareng pilihan presidén, Manglé
nomer ieu ngolongan pamendak Dr. H. Deden Suhen-
dar, M.Si, doktor élmu pamarentahan lulusan Unpad,
Bandung. Najan aya aturan anu écés, kepala daérah
meunang kompanye, tetep loba rambat-kamaléna.
Malah, mamalana gé teu kurang-kurang. ***
Upama Kepala Daérah Milu Kompanye
LLawangSakéténg
3.
IMPLIK - IMPLIK
WatangBatu Ali Pérak
Ti Kaca-kaca Dua ka Jakarta ............ 8
BAHASAN
Mamah Dasimah Mulas Cinta ........... 10
PANINEUNGAN
Naon Sababna Rupa Jeung Bentuk
Wayang Teu Dijelemakeun ............. 30
KOLOM
Carita Baheula
Ensa Wiarna .................................. 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Gedong Sate ...................................... 42
Mangle Alit ...................................... 44
Aweuhan ........................................... 46
Katumbiri .......................................... 50
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
6
LAPORAN
Kepala Daérah
Dilarang Kompanye Pilpres?
Potret:Reisyan
Asa muringkak basa ningali Si Jalu
titiriktikan bari disaragam pangsi sing
sarwa hideung. Iket batik hawukna
dibagudedkeun nutupan beungeut
nyésakeun culak-cileuk sapasang
panonna anu lucu. Nyeplés panon
indungna.
“Bah, tingal Danang! Pendékar Kalong
Hideung nya?” cenah ngaabahkeun.
Dina leungeunna lima pasi awi temen...
Si Balati Demit
JAGAT WANGWANGAN
( KACA : 17 - 40 )
RedaksiMajalahMANGLÉnampimangrupi-rupiseratantimitraMANGLÉ,boh
fiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan
email: redaksimangle@yahoo.com cc: redaksimangle@gmail.com
Ngintung seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratan
karyana tangtos kenging honor.
MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sareng
saran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)
4.
3Manglé 2478
KKacaTilu
Nanglu
K
ungsi ayaharepan, calon
presidén anu bakal maju dina
pilprés 9 Juli nu bakal datang
téh tokoh-tokoh anu henteu katalian
ku sistem kakawasaan saméméhna.
Henteu katalian ku mangsa Orde
Baru, kitu deui euweuh pakuat-
pakaitna jeung pamaréntahan SBY.
Cindekna mah, hayang anu bener-
bener anyar lah. Nu bener-bener
seger. Susuganan lamun ku kitu mah
Indonésia téh bakal leuwih bener.
Na ari ayeuna Indonésia téh ku-
rang bener kitu? Nya enya atuh. Lain
seuk si itu si éta, ieu mah ceuk
pamaréntahna sorangan. Teu kudu
maké tiori pulitik jeung tiori ékonomi
anu beurat-beurat. Ieu mah anu nem-
brak wé. Salila ieu urang Indonésia
téh loba kénéh anu miskinna. Bukti-
na, salila pamaréntahan SBY teu
weléh aya anu ngaranna raskin, beras
miskin. Sok, tina ngaranna waé geus
sakitu matak nyerina. Hartina,
sangkilang mingpin Indonésia salila
10 taun tapi teu bisa ngaronjatkeun
kahirupan rayatna anu mariskin
mah.
Lain teu digarap, meureun kitu
alesanana téh, tapi masalahna teu
bisa disebut énténg. Tangtu loba
alesanana, sanajan tacan tangtu éta
alesan téh bener jeung matak kaharti
ku urang-urang.
Matak, kudu nu anyar lah anu
mingpin Indonésia ayeuna téh.
Susuganan ari anu anyar mah bakal
bisa leuwih togmol, jeung leuwih
tegas dina ngungkulan rupa-rupa
masalah.
Ari ayeuna geus kabuktian, teu
katedunan tah harepan téh. Nu
nyaralon ayeuna, duanana gé, masih
kénéh aya pakuat-pakaitna jeung nu
heubeul-heubeul. Joko Widodona
mah enya anyar, tapi ari Jusuf
Kallana mah apan geus aya tapakna
ti béh ditu kénéh. Malah kungsi jadi
wakil presidén sagala. Atuh Prabowo
jeung Hatta Rajasa mah komo.
Prabowo kungsi jadi minantuna
Suharto, ari Hatta apan bésanna SBY.
Naha euweuh pisan arep-
arepeunana atuh mun kitu mah? Ih
ulah waka goréng sangka. Apan cék
tadi gé susuganan. Basa harita rayat
Indonésia milih SBY, nepi ka dua
rintakan, apan nu ngaranna harepan
téh diémbohan ku susuganan téa.
Ukur semet sangkaan. Sugan téh
bageur. Sugan téh bener. Sugan téh
nyaah ka rayat. Sugan téh enya.
Ayeuna, sasatna SBY téh geus di-
hukum ku rayat. Dina pilég kamari,
beubeunangan partéyna, Démokrat,
ngan ukur 10 persén. Mangkaning
geus ngayakeun konvénsi pikeun
milih calon presidén. Tapi ari
beubeunangan parpolna ngan sakitu
mah, lapur atuh. Palid wé tah meu-
nang hésé capé tatahar ti jauhna téh.
Sanggeus kanyahoan beubeuna-
ngan parpolna henteu nyugemakeun,
SBY téh bangun anu pundung. Moal
milu ka Jokowi, moal biluk ka
Prabowo cenah, arék nétral wé.
Kumaha ari bapa, maké jeung arék
nétral sagala. Kateguhna mah bi-
ngung wé nya. Hayangna milu ka nu
ieu ngan orokaya di ditu aya bésan.
Dina urusan pulitik di urang mah
geus umum sikep samodél kitu téh.
Hayang miluan ka saha baé. Conto
anu pangnembrakna ayeuna, nya
Golkar. Jusuf Kalla téh pan Golkar
meleg-meleg. Ayeuna, babarengan-
ana jeung Jokowi. Ari Golkarna sora-
ngan, kalah biluk ka Prabowo.
Itung-itunganana saderhana pisan,
rék saha waé anu meunang, Golkar
mah bakal aya dina pamaréntahan.
Rék kumaha atuh jadina nagara
urang lamun sikep parpol pulitikna
baé saperti kitu. Anu majar paséhat
dina urusan pulitik téh tujuanana
mah ngan hiji, nanglu. Saha waé anu
meunang kuring milu. Lantaran prin-
sip utama kuring mah, ulah nepi ka
teu boga kakawasaan.
Nu ngaraku pamingpin pulitik di
urang sihoréng sama sakali geus teu
boga kasadaran kudu kumaha
ngokolakeun pulitik. Parpol ngan
semet dipaké kandaraan pikeun nga-
hontal kakawasaan. Lamun geus
kawasa mah bisa sakama-kama.
Kakawasaan geus aya dina leu-
ngeun, rék dikumahakeunana mah
nya kumaha kuring wé. Teu leuwih
ti kitu.
Geus karuhan kieu mah, nya balik
deui wé kana susuganan. Rék Jokowi
rék Prabowo nu jadi presidénna,
susuganan wé bakal bener-bener
merhatikeun rayat sakumna. Lain
ngan mentingkeun baladna wungkul.
Dina geus nepi ka dinya, nu ngaranna
susuganan téh bisa robah jadi
harepan. Meureun, kitu gé.
Ngan aya anu matak bungah téh.
Nu maju ngan dua pasang. Hartina
ku sarintakan nyoblos gé bakal
anggeus. AM
5.
Assalamu’alaikum
Wr. Wb.
Sampurasun!
Damang NyiManglé?
Hatur nuhun pami
damang mah. Eta nu
salawasna dipiharep nu
pamiarsa Manglé. Pun-
ten abdi ngiring ngintun
serat deui perkawis
kamekaran politik di
tatar Sunda, sakumaha
nu sering kaaos dina
Manglé sababaraha édisi
kapengker. Mung sateu-
acanna aya nu badé di-
taroskeun; naha Manglé
bet resep ngabahas poli-
tik? Naha lantaran teu
aya urang Sunda nu
manggung dina politik di
tingkat nasional?
Tapi, sanajan kitu,
simkuring kataji ku pida-
ngan Manglé dina
midangkeun politik nu
gaduh ‘sudut pandang’
nu bénten sareng ngému-
tan urang Sunda sangkan
ngajalankeun politik nu
bener.
Tah, simkuring gé aya
pamendak ngeunaan
kamekaran politik di
urang, pangpangna di
Jawa Barat. Enya, politik
téh tujuanana keur
mutuskeun cukang lan-
taran ningkatkeun
karaharjaan rahayat, tapi
geuning dina buktosna
mah tetebihan pisan. Nu
kasaksén, pulitik téh
mung saukur cukang
lantaran keur kapenti-
n g a n - k a p e n t i n g a n
ningkatkeun karaharjaan
pribadi atawa hiji golo-
ngan. Jeung deuih,
paripolah partéy atawa
pribadi-pribadi nu di-
sebut ‘politikus’ dina
tatapakanana mah,
katitén keur ngagiring-
keun saukur hayang
meunang wungkul. Atuh
hasilna, nu jadi wakil
rayat versi parpol ogé,
leuwih némbongkeun
jalmi-jalmi nu asal-
asalan. Nu kapilih, jauh
tina jalma-jalma nu nété
tarajé nincak hambalan.
Upama nu kapilih jalma
dadakan, tangtu kacida
rugina. Rugi keur dirina
rugi keur urang saréréa.
Nu matak hariwang
deuih, wakil rayat bakal
leuwih mikir keur
kapentingan pribadi
wungkul. Dina ayana
tepung jeung masarakat,
mung saukur nampung
tanpa biasa ngajawab
solusi nu leuwih kaharti.
Pilihan wakil rayat
geus lekasan. Hasilna ogé
geus kasaksén, saha nu
meunang saha nu éléh.
Tapi, bérés milih wakil
aya deui waktu milih,
nyaéta milih presiden.
Sanajan milih presi-
den bakal béda, tapi keur
urang Sunda mah, kudu
bener-bener asak jeujeu-
han. Ulah kababawa
atawa babari dibobodo.
Presiden teureuh
Sunda jigana mémang
moal aya. Tapi lain
hartina urang Sunda
kudu aral jeung milih
golput. Lantaran, lamun
golput, sedengkeun ti
daérah séjénna henteu,
tangtu nu rugi nya urang-
urang kénéh. Ayeuna
mah jalan nu pihadéeun-
na mah, urang Sunda
kudu milih kalawan asak-
asak. Atuh ka paguyuban
kasundaan ogé ulah
nyumput dina nu caang.
Hartina kudu jelas
nyosialisasikeun pilpres
kalawan lamun aya nu
meunang restu urang
Sunda, kudu wani jadi
tim sukses. Ieu tangtu nu
tiasa jadi pieunteungeun
urang Sunda. Kituna téh,
lantaran upama ningal
pileg, loba urang Sunda
nu gagal, éta téh lantaran
urang Sunda kurang
sigep, paburencay jeung
simpé teuing. Ahirna, teu
puguh hasilna. Mudah-
mudahan kanggo taun
2019 mah henteu kajadi-
an deui.
Sakitu anu kapihatur.
Hatur nuhun kana per-
hatosanana sareng
nampi ieu serat dugi ka
tiasa dimuatna.
Wassalam,
Eva Faulina
Cimekar Cileunyi
Bandung
Imah Liar di Kota
Bandung
Assalamu’alaikum
Wr. Wb.
Sampurasun!
Bandung kota pang-
jugjugan lain hartina nu
datang ka Bandung terus
kudu dumuk di Bandung.
Kop téh teuing rék ulin
ka Bandung mah, tapi ari
kudu terus cicing di
mana waé di Bandung
mah, asana teu kaci.
Saperti loba nu
méméhna saukur ulin ka
Bandung, ahirna mah
nyarieun wangunan liar
diluhureun solokan.
Ngarasa teu dilarang
atawa teu diburak-barik,
nya lila-lila mah jadi
baretaheun. Cobi tingal
di trotoar saperti di Kiara
Condong méméh bélok
asup ka Jl. Jakarta, loba
solokan nu diluhurna aya
wangunan liar.
Mémang, urang
Sunda mah teu tégaan.
Tapi lain hartina kudu
tégaan ka jalma nu geus
ngalanggar kapentingan
umum. Ku kituna, naha
wangunan liar geus luyu
jeung aturan? Mangga ka
pamaréntah Kota Ban-
dung masing wantun
ngabebenah wangunan
liar nu aya diluhureun
solokan cai di Kota Ban-
dung.
Dina hal séjénna
deuih, trotoar jeung walu-
ngan téh geus dibener-
keun, geus diberesihan
tina artos rayat, éh…
anggeus dioméan dipaké
keur muka usaha. Aduh...
éta si emang mani raos
nya?
Tah, kajadian-kajadi-
an saperti kitu peryogi
panalinga pamaréntah
Kota Bandung. Naha
Bandung geus beresih
tina imah-imah liar?
Mangga urang diantos
ketak Pa Ridwan Kamil
tina ngabebenah Kota
Bandung nu beresih
jeung taat aturan.
Hatur nuhun.
Wassalam,
Aep Hediana
Kiara Condong Ban-
dung
Manglé 24784
Nété Tarajé Nincak Hambalan
KKoropak
7.
H
éabna pilihan presiden
karasadi mana-mana.
Masing-masing pihak tata-
har ngabenkeun ‘jagona’. Tangtu,
partey pulitik gé ngeprak balad,
ngumpulkeun kakuatan sangkan
calon nu dirojongna jadi nu pinujul
sarta ahirna jadi présidén.
Dina kompanye, pihak partéy
bakal satékah polah ngirut haté
masarakat. Carana, ngaliwatan
juru kampanyé petingan, nu di
antarana téh kepala daérah. Eta
pingpinan daérah téh kompanye di
wewengkon nu ‘kaeréh’ ku
pamarentahanana.
Kepala daérah nu kompanye di
salah sahiji tempat di daérahna,
umumna meunang pangbagéa nu ti
masarakatna. Kitu téh, lantaran
keur balaréa mah moal gampang
nagbédakeun antara kepala daérah
jeung pingpinan partey atawa
pangurus partey téh. Da, eta-eta
keneh apan. “Sacara langsung
atawa teu langsung aparat di
handapna gé bisa didorong ku éta
pajabat sina ‘biluk’ kana pilihan si
pajabat téa,” ceuk Dr. H. Deden
Suhendar, M.Si., doktor élmu
pamaréntahan ka Manglé sawatara
waktu ka tukang, basa ditepungan
di kantorna di Universitas Al-Ghi-
fari, Bandung.
Mémang, aya aturan jinek.
Pajabat pamaréntah, gupernur, bu-
pati atawa walikota, bisa kompa-
nye, kaasup dina pilprés. Tata
carana diatur dina Peraturan
Pemerintah (PP) Republik Indo-
nesia No 18 Tahun 2013. Ecés dina
pasal 26, éta PP gé. Dina saminggu
kepala daérah bisa dua poé cuti
upama rék milu kompanye. Tapi,
aya iwalna, cenah, pasualan nu
kacida pentingan tetep kudu
leuwih tiheula diréngsékeun.
Najan kepala daérah boga idin
milu kompanye, ceuk H. Deden
Suhendar, loba madaratna. Lan-
taran, cenah, kepala daérah mah
boga bawahan boga rahayat nu
sawadina jadi conto masarkat yén
dirina teh ‘netral’, henteu cueut ka
nu hideung henteu ponténg ka nu
konéng. “Ngan, da di urang mah
apan nu kuduna kepala daérah
atawa pajabat nagara téh
ngecagkeun kalungguhan di
partéyna, kalah sabalikna, geus
jadi kepala daérah téh jadi paming-
pin partey atawa ketua partey puli-
tik,” ceuk ieu alumni Universitas
Padjadjaran (Unpad) Bandung téh.
Kepala daérah, saperti guper-
nur, walikota, atawa bupati,
samistina, ceuk H. Deden, clok ti
tengah. Kitu téh, sangkan aparat di
handapna gé bisa ngalaksanakeun
pancén kalayan luyu jeung aturan.
Lantaran mun walikota/bupati
mihak ka salahsahiji caprés, bisa
waé bawahan éta bupati teh, teu
bisa tandes ngalaksanakeun atu-
ran. “Mislna, satpol PP bisa waé
teu kagok nartibkeun spanduk
baliho salah sahiji calon, tapi teu
kitu ka calon séjénna nu dirojong
ku bupati/walikotana mah,” pokna
nyontokeun.
Pangaruh goréng séjénna,
masarakat nu béda-béda aspirasi
pilihan, bisa waé ngarasa curiga ka
pingpinan. Lantaran, sikepna milu
kompanye téh jentré aya dina salah
sahiji pihak. Hartina, henteu nétral
sakumaha mistina. “Masarakat
urang nu paternalistik, peryogi
tuladeun nu écés kalebet dina pili-
han présidén tea,” pokna.
Midua Haté
Saban pajabat disumpah. Atuh,
jangjina gée apan ngalaksanakeun
pancén kalayan ngutamakeun
palayanan ka masarakat.
Patékadan kitu, ceuk Dr. H. Deden
Suhendar, M.Si., kudu natrat dina
ngalaksanakeun pancénna.
Tembongna éta jangji téh, bakal
écés dina ngalaksanakeun tugasna.
“Ngan, nu leuwih penting deui,
jajaran di handapna gé bakal nyon-
to ka pamingpinna,” pokna.
Kepala daérah, saperti guper-
nur, boga bahawan, walikota jeung
bupati. Kitu deui bupati/walikota
di jajaran handapna téh aya camat,
lurah, jeung sajabana. Masing-
masing bawahan, bakal kacida
gumantungna ka pingpinanana.
“Dina waktu pamingpinna kompa-
nye, teu ngalaksankeun pancén
gawéna, jajaran nu dihandapna gé
moal katalingakeun,” pokna.
Nurutkeun ieu Rektor Universi-
tas Al-Ghifari Bandung téh, najan
kepala daérah bisa cuti keur
ngalaksanakeun kompanye,
Manglé 24786
LLaporan
Kepala Daérah
Dilarang Kompanye Pilpres?
Dina pilihan législatif, loba kepala daérah nu milu kompanye. Atuh, dina pilihan présidén
gé moal teu kitu. Ngan, naon mamalana mun kepala daérah milu kompanye?
***
8.
pangaruhna mah teubisa
dilalaworakeun. “Apan, bisa waé
mangaruhan bawahanana sangkan
biluk ka calon nu dirojong ku éta
pingpinan,” pokna.
Kitu deui pagawé nagri nu teu
meunang kompanye, butuh conto
nyata ti pihak luluhurna. Da, mun
teu jinek aturan, bisa dianggap éta
aturan téh mintul ka luhur seukeut
ka handap. Aturan bisa tandes ka
nu dihandap, tapi teu mempan ka
nu boga kakuatan mah. “Padahal,
nanjeurkeun aturan mah henteu
meunang pulah-pilih,” pokna.
Ngadek sacékna, nigas
saplasna, kudu kagambar dina atu-
ran. Tah, pasipatan kitu, ceuk ieu
Dewan Penasihat ICMI Muda
Jawa Barat teh, kudu jadi ceceke-
lan sakumna pihak, sangkan saha
waé kaasup rahayat ngarasa meu-
nang kaadilan.
Wani Mutuskeun
Pilihan langsung, gumantung
pisan ka rahayat. Atuh, ajén-inajén
pamingpin nu kapilih gé bagal
gumantung kana ajén pilihan
rahayat. “Hartosna, rahayat nu
milih pamingpinna téh kedah cer-
das,”ceuk ieu pangurus Pusat
Studi Islam Univesitas Ibnu Khal-
dun téh.
Mémang, milih pamingpin nu
hadé teh teu gampang. Ngan, keur
H. Deden mah, ngemutan lalampa-
han calon pamingpin nu nyaprés
téh teu sing susah. Apan, puguh
tapak lacakna. Bakal katangén ka-
mampuhan jeung patékadanana.
Eces léngkah jeung paripolahna
mangsa ka tukang.
Lian ti kudu mampuh milih
kalayan dumasar kana tinimba-
ngan anu asak, masarakat gé
sawadina milu nalingakeun
lumangsungna pilihan téa. Tangtu
cenah, panalinga téh kudu ti mimi-
ti kompanye nepi ka waktuna pili-
han téa. “Kedah wantun
ngalaporkeun ka pihak nu gaduh
wewenang dina nalingakeun pili-
han,” pokna.
Enya, apan aya Bawaslu. Ngan,
H. Deden gé teu meungpeun tina
kamungkinan ayana hal-hal anu
méngpar tina aturan. Komo deui
apan waragad keur Bawaslu gé ti
pamarentah. Atuh, teu anéh upama
dina hiji mangsa kudu ‘nyawad’
pihak nu raket tumalina jeung
pamaréntah, saperti para pajabat,
bisa waé éta pangawas téh rada
‘ngirung’ alias teu tandes
ngelinganana. ***
(Ensa)
7Manglé 2478
H. Deden Suhendar, doktor elmu pamarentahan lulusan Unpad Bandung
Ngirut haté masarakat ngaliwatan juru kampanye
9.
B
atu ali mangrupahiasan ali
dalit jeung ramo lalaki.
Rupa-rupa batu ali, boh nu
saukur hiasan boh anu eusi
(dipercaya ngandung kakuatan
mistis), éstu kudu nyurup jeung
watangna atawa jeung alina.
Salian ti emas jeung kuningan,
watang batu ali ogé réa dijieun
tina pérak, saperti anu diproduksi
ku para pangrajin pérak ti Kam-
pung Kaca-kaca Dua Désa Pasir-
mulya Kacamatan Banjaran
Kabupatén Bandung.
“Ayeuna nu nuju trén téh ali
pérak pameget kanggo watang batu
nu ageung, modélna basajan hen-
teu seueur dirual-réol,” kitu
ditétélakeun ku Eka Pajar Cahyadi,
salasaurang pangrajin pérak di Kp.
Kaca-kaca Dua, waktu ditepungan
ku Manglé sawatara waktu nu
kalarung.
Ceuk Eka, watang batu ali nu di-
jieun ku manéhna tuluy diiangkeun
ka distributor nu aya di Jatinegara
Jakarta Timur. Ti dinya laju
disebarkeun ka daérah séjén. Lian
ti kitu, sok aya ogé masarakat anu
pesen langsung ali atawa cincin ka
manéhna. Tangtu baé anu pesen
langsung mah modélna ogé
disaluyukeun jeung kahayang anu
mesenna.
Dina sakali nyieun ali nu
prosésna dua poé, Eka ngajéntré-
keun, manéhna rata-rata
méakkeun bahan baku pérak dua
kilo satengah. Tina bahan sakitu
Manglé 24788
IImplik - Implik
Eka Pajar Cahyadi dibarengan ku istrina, Nopi Nurhayanti (dédé)
Watang batu ali tina pérak ti Kaca-kaca Dua (dédé)
Prosés nyieun ali pérak butuh waktu dua poé (dédé)
10.
téh nu jadibarangna ukur sakilo
satengah. Salian ti nyieunan cincin
keur lalaki, Eka ogé nyieunan
cincin jeung hiasan séjénna keur
awéwé. Ku lantaran nu keur
payuna cincin lalaki, perhiasan
pérak awéwé mah produksina ukur
dua puluh lima persén tina total
perhiasan pérak nu dijieun ku
manéhna.
“Perhiasan kanggo istri mah
raména téh upami tos caket ka
lebaran, pangpangna ti dua minggu
saméméh lebaran,”pokna.
Pikeun mapag lebaran, ti
saméméh bulan puasa kénéh Eka
jeung para pangrajin pérak
séjénna geus tatahar nyiapkeun
setok perhiasan awéwé. Lamun
teu kitu tangtu bakal kabolér, lan-
taran saban rék datang lebaran
pesenan jeung omsétna sok nga-
jaul.
Diluareun “proyék” mapag
lebaran, dina saminggu Eka rata-
rata ngaluarkeun tujuh kilo barang
atawa hiasan pérak, kalawan
kauntungan kotor 84 juta rupia.
Karajinan pérak nu dikokolakeun
ku Eka dipigawé ku 22 urang
karyawan, sarta réréana masarakat
nu aya di sabudeureun tempat pro-
duksi. Urang jauhna mah ukur
saurang dua urang baé.
“Lumayan, étang-étang muka
lahan padamelan. Ngaberdayakeun
masarakat, pangpangna pamuda,
anu teu gaduh damel,” Eka
ngémbohan.
Papadaning kitu, ceuk Eka,
usahana teu salawasna lancar. Aya
kalana pasar perhiasan pérak téh
tiiseun. Lamun keur tiiseun, biasa-
na barang ditampung heula ku
distributor, sarta pembayaranana
satengahna heula. Lian ti kitu,
harga bahan baku ogé sok naék
turun. Bahan baku sok aya waktu-
na hésé disiar.
“Ku margi abdi mah kerja
sama sareng distributor, bahan
baku ogé seseringna disadiakeun
ku distributor. Taun ayeuna mah
Alhamdulillah harga bahan baku
nuju setabil, henteu sapertos
taun-taun sateuacanna,” pokna
deui.
Kangaranan usaha tangtu aya
baé saingan. Nu jadi sainganana,
salian ti pangrajin pérak ti daérah
séjén téh, kiwari mahabu barang ti
Cina anu modélna aralus sarta
hargana murah pisan. Ngan baé ari
lebah kualitas mah bisa disebut-
keun goréng.
Ceuk Eka, perhiasan ti Cina
mah kadar pérakna handap pisan.
Alatan kitu, barangna babari kotor
jeung burem. Ali sarta perhiasan
pehiasan pérak lianna nu ti Cina,
lamun potong téh teu bisa dielas
atawa disambungkeun deui, da
kadar pérakna rendah téa. Rurun-
tuk perhiasan pérak ti Cina ogé teu
bisa dilebur. Lamun geus ruksak
nya tuluy baé jadi runtah, teu bisa
dimangpaatkeun deui.
Eka acrub kana usaha karajinan
pérak lantaran mangrupa usaha
sadudulur. Kolot sarta baraya Eka
nu liana ogé arusahana kana nyieu-
nan karajinan pérak, boh nu aya di
Kampung Kaca-kaca Dua boh nu
aya di tempat séjénna. Ku alatan
Eka jeung barayana nyarieunan
perhiasan pérak di Kp. Kaca-kaca
dua, éta kampung sok aya nu nye-
but kampung pérak. Malah dina
gapurana ogé dimomonés ku
patung cincin ***dédé
9Manglé 2478
Watang Batu Ali Pérak
Ti Kaca-kaca Dua ka Jakarta
Karajinan pérak lokal teu gedag ku serangan barang Cina (dédé)Karajinan pérak, muka lahan gawé keur warga (dédé)
11.
D
asimah henteu rékamande-
gung. Bet ayeuna, Méi 2014
ngaluarkeun deui album
rékaman anyar. Judulna ‘Mulas
Cinta’. Duet jeung Juara Cianjuran
Damas 2003, Ujang Supriatna. Dina
éta album gé dieuyeuban ku juru-
kawih Aén Kurnia jeung Hetty
Restuti.
Lagu ‘Mulas Cinta’ téh beunang
nyipta juru sanggi petingan, Ubun
Kubarsah. Malah salian ti lagu
Mulas Cinta, dina éta album nu
diproduseran ku Hj. Hetty Restuti
téh Ubun nyanggi tilu lagu séjénna
nyaéta ‘Nyungsi’, ‘Ulah Tepang
Deui’, jeung ‘Bulan Nu Saha’. Ari
lagu-lagu séjénna diala tina lagu-
lagu beunang Atang Warsita
(Parahiyangan, Dewi Sartika, Pala-
buan Ratu, Béntang Parahiyangan),
jeung Yoyo Risyaman (Asih Urang).
Ditilik tina wangunan kecapna
mah ‘Mulas Cinta’ téh kaasup frase
(runtuyan kecap) nu kawilang
ahéng. Teu ilahar. Da enya, méméh
ngeunteupkeun kana judul nu éta,
juru sanggina lila padungdengan
pikeun matotoskeun judul, naha
‘Mulas Kanyaah’, ‘Amparan Asih’,
‘Mulas Kaasih’, atawa ‘Amparan
Kaasih’. Nya cop kana ‘Mulas Cinta’.
“Aya nilai jual dina kecap ‘Mulas
Cinta’ téh,” ceuk Ubun, “runtuyan
kecap nu séjénna mah éstu konvén-
sional pisan.”
Kawuwuh deuih, dina perkara
galindengna, lagu Mulas Cinta téh
séjén ti nu ilahar, tina lalaguan beu-
nang juru sanggi nu lian. Ku kitu téh
deuih, lagu Mulas Cinta teu wudu
ngandelan ciri khas Ubun dina
nyipta komposisi lagu beunangna.
Ku salalar gé, bet ujug-ujug baé
kapireng motif-motif galindeng ban-
dana Ubun Kubarsah. Pon kitu deui
dina lagu-lagu Ubun nu séjénna dina
Manglé 247810
BBahasan
Mamah Dasimah Mulas Cinta
12.
11Manglé 2478
éta album(Nyungsi, Ulah Tepang
Deui, jeung Bulan Nu Saha), motif-
motif galindengna éstuning kapireng
madeg mandiri tina lagu-lagu beu-
nang nyanggi nu séjénna.
Husus dina lagu ‘Nyungsi’, gaya
galindeng Mamah Dasimah bangun
nu ngahaja leuwih teleb neuleuman-
ana. Éta lagu nu mibanda wirahma
anca téh, pikeun Mamah mibanda
tangtangan anu mandiri, kawantu
saméméhna éta lagu téh mangrupa
lagu panambih dina Sekar Anyar (nu
ngantét kana lagu poko ‘Suwung’).
Dina Sekar Anyar mah, lagu
‘Nyungsi’ téh dihaleuangkeun ku
Rosyanti jeung Mstika Iman.
“Aceuk téh hoyong milari gaya nu
bénten tina wanda Sekar Anyar,”
ceuk Mamah basa latihan di Dasen-
tra, “galindengna hoyong karaos
pisan wanda kawih degung.”
Dina ieu album, Mamah gé mang-
gih tangtangan anu pohara. Lian ti
kudu ‘ngawadahan’ lagu-lagu gaya
‘Dasentraan’ (lagu karya Ubun),
Mamah dipambrih meruhkeun ka-
mampuh dina ngolah sora sina luyu
jeung téma lagu.
“Lagu-lagu Kang Ubun téh
romantis pisan. Sadayana ngeunaan
cinta. Mangkaning cintana
kaayeunakeun,” ceuk Mamah deui
semu seuri, “tah, dina yuswa aceuk
nu tos sakieu sepuhna mah, rada
répot neuleumanana lebah téma
cinta kaayeunakeun mah.”
Jaba deuih, dina éta album téh
Mamah kudu duet jeung Ujang
Supriatna, nu dina umur mah éstu-
ning ganjor pisan. Tangtu, Mamah
réa manggihan tangtangan; béda
jeung cara Mamah mun keur pareng
duet jeung Didin S. Bajuri (carogéna,
sakumaha dina sawatara album nu
kungsi populér dina taun 80-an).
Papadaning kitu, dina runtuyan
proses rékaman (rekamanana di
Studio STSI) sanggeus tepi kana
hambalan mixing mah, sora Mamah
jeung sora Ujang téh teu wudu silih
imbangan, cara dua sora rumaja anu
sapantaran baé.
Gaya Anyaran
Dina sapuluh taun katompérna-
keun, rékaman degung téh bangun
geus ilahar deui sok diwuwuhan ku
késétan piul. Béda jeung dina gaya
dekade 70 tepi ka 90-an anu boh
dina introduksi (mangkat) jeung
interlude (gelenyu) cukup dimélodi-
an ku suling baé. Malah antukna
mah kétang, ayana sora piul téh lain
baé pikeun ngawuwuhan pirigan
waditra gamelan degung wungkul,
tapi ogé neba kana kacapian wanda
anyar jeung cianjuran.
Tilu taun katompérnakeun,
muncul gaya kacapian anyar nu ku
Ubun Kubarsah disebutna ‘Kacapian
Harmonia’ sakumaha nu kapireng
dina album ‘Enjing Deui’ nu midang-
keun juru kawih Rita Tila téa. Dina
éta kacapian harmonia mah unsur
sora piul téh mibanda peran anu
gedé dina urusan mamanis; najan
enya, ayana piul téh masih kénéh
disandingan ku sora suling. Tah, nya
dina album Mulas Cinta gé, peran
piul téh mibanda peran nu pohara
gedéna di sagédéngeun sora suling
piken nguniangkeun mamanis.
Album ‘Mulas Cinta’ lebah
aransemenna digarap ku seniman
pedalan STSI, Adé Suparman. Dina
garapanana, Adé geus matéakeun
komposisi anu dinamis. Méh kabéh
dina mangkatan lagu dijieun kompo-
sisina. Pon kitu deui lebah nganteur
haleuang, meulitan haleuang, mirig
haleuang, jeung nutugkeun
haleuang, komposisina éstuning di-
garap pisan kalawan daria. Nu-
matak, unggal lagu téh moal matak
bosen ngadéngékeunana.
Nu luewih metot deui téh, éta
lebah hadirna sora piul téa. Nu miul-
na Yadi ‘Piteuk’ Cahyadi, seniman
nu ngagarap aransemen album ‘En-
jing Deui’ dina garapan Kacapian
Harmonia téa. Ngeunaan Yadi Pi-
teuk, pikeun sapuluh taun katom-
pérnakeun mah ngaranna geus jadi
kacapangan deui. Saban album réka-
man, boh nu tradisional kayaning
kacapian, degung, kiliningan, jeung
cianjuran, boh nu modern cara pop
Sunda, késétan piul Yadi téh bangun
nu geus jadi ‘kawajiban’ deui. Tuda
éta téa, piul nu dikését ku leungeun
Yadi mah éstu nguniangkeun mama-
nis nu pohara éndahna.
Nu nyulingna, saha deui mun
lain Iwan Mulyana. Inyana téh
seniman suling nu pangnyong-
colangna dina mangsa kiwari. Teu
bina ti Yadi, dina urusan nyuling
mah, Iwan gé mindeng kapireng
sora sulingna, boh dina degung,
boh dina kacapian. Utamana mah
nya dina cianjuran.
Ari seniman séjénna nu milu
ngawewegan dina album ‘Mulas
Cinta’ téh nyaéta Uyép S (saron),
Ahmad Sofyan (bonang), Endang
Alit (kendang), Panji Triyadi (ka-
capi), Apék Supriatna (jengglong),
jeung Iing Firmansyah (goong). Ieu
seniman téh geus maneuh deui
dina nabeuh gamelan mah, utama-
na dina degung lagu ageung
(klasik) jeung gamelan saléndro.
Sedengkeun anu nyarungsum
prosés rékamanan nya éta Abuy ti
Studio STSI.
Ubar Kangen
Dibanding jeung rékaman ci-
anjuran atawa kiliningan jeung
wanda nu séjénna mah, rékaman
album dina wanda degung téh kawi-
lang geus heubeul pisan ‘ngarandeg-
na’. Dina taun 80 tepi ka taun 90-an,
kungsi ngajaul ngaran-ngaran Elis
Wizaksmi, Ida Widawati, Imas Per-
mas, kaasup Mamah Dasimah jeung
Nining Méida. Ari nu kacatet mro-
duksi lagu-laguna di antarana nya
Ubun Kubarsah, Ujang Suryana,
jeung Nano S.
Utamana kana lagu-lagu Ubun
Kubarsah, sok laju kapireng aya ciri
katut karakter anu khas; pang-
pangna karakter lagu nu gedé
nyuméndér kana galindeng cianju-
ran. Papadaning kitu, lagu-lagu
hégar Ubun gé teu wudu matak
ngirut sakumaha nu kabandungan
dina album kawih kacapian ‘Saha
Eta’ nu kungsi ngahudang génjlong
dina awal taun 80-an, jeung album
kawih degung ‘Asa Tos Tepang’ nu
kungsi génjlong dina taun 80-an
katompérnakeun.
Nya tina album ‘Mulas Cinta’
muga-muga baé bisa jadi ubar ka-
ngen, boh kana sora Mamah
Dasimah boh kana lagu-lagu
Dasentraan, gaya Ubun Kubarsah.
Muga-muga.*** (Dian Héndra-
yana)
13.
Manglé 247812
NNyusur Galur
D
inaManglé minggu pengker dicarioskeun ngeuna-
an kabiasaan masarakat Talaga ngalakukeun ritual
di Desa Sanghiyang.
1. Ritual Nyapu
Nyapu dipigawé ku para kuncén unggal poé Senen
tiap minggu éta téh. Para kuncén ngoér wé sasapu tepi ka
lalening beresihna. Ti mimiti nyapuan jalan asup ka kom-
plék Talaga, Sabada tepi ka pertelon, tilu kuncén meresi-
han jalan nu rék ka makam Sunan Parung jeung meresihan
makamna, opat kuncén séjénna meresihan jalan anu
brasna ka talaga jeung lokasi sisi-sisi talaga. Lian ti kitu
dilakukeun ogé Dangdan Tajur, nyaéta meresihan talaga
poé Senén rék asup ka Minggu, katompérnakeun bulan
Ramadhan, nu migawéna tetep para kuncén, tapi diban-
tuan ku masarakat sabudeureunana ayeuna mah.
2. Ritual Nyiramkeun
Nu disebut nyiramkeun mah nyaéta meresihan artefak
titinggal Karajaan Talagamanggung nu disimpen ku para
turunanana. Cai keur meresihanana maké kembang
mayang meunang nyacag anu disimpen dina gentong
badag, upacara lumangsung poé Senen méméh tanggal 20
Sapar. Nurutkeun sumber tradisi, cai kembang mayang
téh bisa ngaétkeun artefak Sésa cai kembang mayang bisa
méré barokah jeung bisa nyageurkeun rupa-rupa kasakit
Ritual nyiramkeun dimimitian ku ngala cai diwadahan
ku sarupaning lodong tapi tina awi konéng, caina kudu
dicokot ti tujuh sumber aér nu dianggap karamat nyaéta
ti gunung Bitun, Talaga Sanghiyang, Ciiray, Wanaperih,
Lemahabang, Regasari, jeung ti Ciramas.
Nu nyokot cai karamatna kasepuhan (tokoh adat) Talaga
dina awal bulan Sapar. Lodong awi konéng anu geus pinuh
ku cai téh heug dibawa ka musieum Talaga manggung
dihijikeun dina kendi, terus didoa’an sacara Islam,
saterusna ku patugas anu ditunjuk éta cai tina kendi téh
diképrét-képrétkeun kana barang-barang pusaka. Ti mimiti
ngéprétkeun cai kana arca Ratu Simbar Kancana, Raden
Panglurah, kana pedang-pedang, kana goong jeung saka-
béh barang pusaka anu disimpen di éta musieum. Éta
kabéh dipigawé minangka simbul nyuci meresihan jeung
hormat kana warisan para luluhur. Masarakat mungguh
moyék di buruan musieum nyaksian upacara ritual ieu
bari sabadana terus parebut cai sésa nyuci barang-barang
pusaka. Maranéhna ngarasa yakin pusaka anu disucikeun
ku cai karamat téh kabéh ogé boga kakuatan. Kitu deui
cai urut meresihan pusaka ngandung kakuatan.
Tradisi saperti kitu ngagambarkeun kumaha cara
manusa ngahormat alam, pangpangna cai nu jadi sumber
kahirupan sajaba ti hawa, tanah jeung seuneu.
3. Ritual Pareresan
Pareresan mah dilaksanakeunana unggal poé Senen
saban taun sabada panén rayat ku sakum rayat
Sanghiyang. Rayat jarah ka makam Sunan Parung terus
meuncit domba, dagingna dibagikeun ka sakumna anu
jarah.
4. Ritual Nadzar/ Meuncit Domba
Ritual ieu mah dipigawéna husus ku nu jarah anu
ngarasa diijabah panedana. Éta téh anu unggal poé
Senen atawa Kemis ti jam 07.00 isuk-isuk tepi ka jam
12.00, ditungkulan ku para kuncén, aparat Désa Sangang
di pertelo antara jalan ka makam jeung jalan ka talaga
Sanghiyang, kagiatan ieu téh disebut Pamotongan, atawa
Meuncit domba.
Sarat meuncit domba nu kudu dilaksanakeun ku nu
nadzar téh kieu;
a) Domba jalu anu umurna geus 1,5 taun.
b) Hayam jaluna hiji
c) 4 hayam kampung
d) 20 kg béas.
e) Kalapa ngora sahulu.
f) 4 tumpeng / congcot.
g) Ketan beureum hideung jeung bodas terus dijieun
congcot 9 laleutik.
h) Tipung béas dibentuk lalonjong lobana sarua kudu 9,
diwarnaan héjo, konéng, hideung, jeung bodas.
i) Kalapa meunang meresihan kulitna tepi ka bodas
bersih 9 hulu
j) Tiwu leutik 9 potong.
k) Seupan taleus laleutik 9 potong.
l) Saupan sampeu leutik 9 potong.
m) Cau raja 9
n) Tékték 9.
o) Bungbu masak sacukupna, honjé, “joul”, jeung jan-
Katompérnakeun Ramadhan
Para Kuncén Meresihan Talaga
14.
13Manglé 2478
tung cau.
p)Daun tepus masing-masing 9 lambar, ditendeun di tilu
bagian anu geus ditangtukeun.
q) Daun bingbin/palem leuweung masin-masing 9 lambar
diteundeun di tilu bagian anu geus ditangtukeun.
r) Daun hanjuang 9 lambar.
Sabada domba dipencit cokot 13 rupa bagian awak
domba nyaéta sabagian biwir luhurna. Sabagian halis anu
katuhu, sabagian ceuli katuhu.
Sabagian kulit akar tanduk. Sabagian kulit cokor
katuhu, sabagian peler katuhu, sabagian buntut, sabagian
susu katuhu, sabagian haté, sabagian kalilipa, sabagian
tungtung peujit, sabagian sineureut, sabagian lamusir.
Kitu sawatara ritual anu biasa dilakukeun masarakat
anu daratang ka talaga Sanghiyang.
Koleksi musieum Talagamanggung
Dua Koleksi Musieum Talagamangung jeung Imah
Kuncén Talaga Sanghiyang.
Sajumlah artéfak nu asalna tina lahan sabudeureun
talaga ayeuna mah geus jadi milik kulawarga turunan Raja
Talagamanggung, sabagian deui disimpen di imah Kuncén
Talaga, sabagian gedé mah disimpen di Musieum Talaga-
manggung. Artéfak anu disimpen di imah Kuncén Talaga
di antarana 3 pedang, hiji kujang, hiji wadah cai anu di
jerona aya tulisan aksara tapi geus alus tepi ka teu bisa
diidentipikasi, hiji plakat Cina. Koin-koin Hindia Walanda
jeung koin-koin jaman NKRI, hiji baki, hiji barang nu rék
jiga koenjer jeung hiji batu leutik.
Sajeroning kitu, artéfak anu aya di musieum Talaga-
manggung mah mangrupa menhir buleud panjang,
panjangna kurang leuwih 2 meter, batu pelor, batu gundik,
batu pipisan, lulumpang batu, liangna hiji atawa dua, jeung
batu tasbé (tempat ngukuhkeun kalungguhan putra
makuta jeung raja). Lian ti kitu, di Musieum Talagamang-
gung ogé aya rupa-rupa koleksi diantarana arca, senjata,
gamelan, baju zirah, duit, mariem, keramik asing jeung
lokal, panto, jandéla jeung lomari.
Nurutkeun sumber tradisi, sabagian koléksi nu aya di
Musieum Talagamanggung, nyaéta mas kawin ti Radén
Ranggamantri ti Pajajaran kanggo Ratu Sunyalarang basa
diréndéngankeun. Saterusna dianggap barang pusaka
karuhun urang Talaga.
Makam Sunan Wanaperih
Makam Sunan Wanaperih atawa Aria Kikis perenahna
di Kebonwana Désa Kagok Kacamatan Talaga. Sacara
astronomi aya di kordinat 06 darajat 57”09,95,40” LS
jeung 108 darajat 18”15,90 BT luhurna 618 meter dpl. Ieu
makam aya dina hiji cungkup opat pasagi panjang dijieun
tina keramik bodas, puncak makam jeung tutunggulna
tina kayu nu dicét abu-abu.
Aya makam anu dipercaya makam Sunan Wanaperih
sanajan dina tutunggulna henteu aya tulisan anu
nerangkeun yén éta makam Sunan Wanaperih, tapi éta
bisa dianggap yén Sunan Wanaperh téh tokoh sajarah
nu beer-bener kungsi aya di kieuna tur ngalalakon di
Karajaan Talaamangung.
Makam Apun Surawijaya
Perenahna di Kampung Lemah Abang Desa Cikeusal
Kacamatan Talaga. Sacara astronomi aya dina koordinat
07 darajat 00”16.80” LS jeun 108 darajat ‘’ 18”73,00” BT
uhurna 624 meter dpl.
Makam dirungkupan ku cungkup opat pasagi panjang,
dijieun tina keramik hejo, tutunggulna di tungtung kalér
jeung kidul. Luareun aréal makam aya tilu makam
séjénna, dua makam ngajajar nu hiji deui mah misah, opat
pasagi panjang, 11 umpak (dua makam nu mimiti) jeung
9 umpak (hiji makam kadua) tina bata. Nurutkeun sumber
tradisi tilu makam ieu téh makam pangawal Apun Sura-
wijaya. Ayana makam Apun Surawijaya anu sarua tanpa
katerangan dina tutuggulna nyirikeun yén tokoh Apun
Surawijaya bener-bener kungsi aya di kieuna, jeung
nguatkeun katerangan yén Karajaan Talaga lain dongéng
tapi bene-bener aya.
Makam Ciburuy
Situs Ciburuy ayana di Kampung Ciburuy Désa Talaga
Wétan Kacamatan Talaga. Sacara astronomi aya dina koor-
dinat 06 dsrsjst 59”09,54 LS. Jeung 108 darajat 18”35,73
BT elev 2065 ft. Éta makam-makam téh ayana di komplék
pamakaman kulawarga boh makam anyar boh makam
kuno. Makam kuno anu bisa didata lobana 13, tujuh di-
antarana ngajajar ti kalér ka kidul wangunanana sarua
nyaéta opat pasagi panjang, panjangna antara 2,23 meter
rubakna 72 sentimétér. Genep makam séjénna sarua jeung
makam anu mimiti, ngaréndéng jeung makam anu mimiti,
ayana gigireun jajaran makam anu mimiti, ngajajar ti kalér
ka kidul. Ukuranna leuwih leutik ti tujuh makam
saméméhna.
Tutunggul makam wangunanana sterilisasi nilotpala
(kembang taraté satengah beukah) atawa padma (kem-
bang taraté keur mekar), hiasanna béda antara makam
nu hiji jeung anu séjénna téh diantarana motipna sulur-
sulur daun maké gambar kembang srangéngé di tengah-
na boh aya kolopak kembang atawa henteu, sahandapeun
hiasan kembang srangéngé aya hiasan daun.
Sawatara makam maké hiasan sulur-sulur daun, gam-
bar kembang srangéngé, di tengahna boh dina kelopak
kembang atawa henteu, handapeunana aya motip segitilu,
kénca katuhuna aya buleudan. Dipadukeunana motip
segitilu jeung gambar buleudan saperti kitu, di candi
Sukuh jeung Ceto di Gunug Lawu Jawa tengah.
Tina : Sajarah Kerajaan Talaga
Nu ditulis ku Nina H.Lubis (Ed)
Etty Sarinendyanti, Undang Ahmad Darsa, Miftahul
Falah.
** HRS/Hanca**
15.
Manglé 247814
MMunara Cahaya
Hartosna:Maha Suci Alloh anu
geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji
peuting ti Masjidil Haram ka
Masjidil Aqsa, anu sakurilingeun-
ana ku Kami diberkahan, pikeun
Kami némbongkeun ka manéhna ti
antara ayat-ayat Kami. Saéstuna
Anjeunna Nu Maha Ngadangu, Nu
Maha Uninga. (QS. Al-Israa: 1).
Dawuhan di luhur, dikawitan ku
kalimah ‘Subhana’, ‘Maha Suci
Alloh’. Ieu kalimah nuduhkeun, yén
Alloh nerangkeun, élmu jeung akal
manusia moal aya bandinganana
jeung élmu Alloh SWT. Kaunggel
dina surat Al-Kahfi ayat 109 nu kieu
hartosna: “Pék ucapkeun, upama
waé lautan jadi mangsi keur nulis
kalimah-kalimah Gusti, saéstuna
bakal érép lautan éta saméméh érép
ditulis kalimah-kalimah Gusti,
sanajan didatangkeun tambahan-
ana sakitu deui.”.
Margi kitu, mangga saméméh
niténan dina raraga nyandak
hikmah tina miéling Isra' Mi'raj
Kangjeng Rosulullah SAW,
kaimanan urang nu kudu di-
heulakeun. Sabab Alloh geus
nepikeun kalimah tauhidna,
'subhaanalladzii'.
Isra' wal Mi'raj kajantenana sa-
taun sateuacan hijrahna Rasulullah
SAW ka Madinah (Yatsrib harita
mah). Nalika harita, Rosulullah
SAW ninggang dina kaayaan nu
sedih kingkin. Teu kitu kumaha?
Sapertos jalmi biasa, Rosul sabari
nangkeup tuur di Masjidil Haram,
haténa teu tiasa ngabendung ujian-
ujian. Sapalih katerangan
nerangkeun, Rosulullah SAW
sapertos nu nu putus asa. Nuju
kaayaan nu sumpek kitu, isteri Siti
Khadijah r.a. sareng Abi Thalib,
emangna dipundut ku Gusti.
Katambih-tambih deui, kaum
Qurais sanés ngiring sungkawa, tapi
kalah beuki ngahina, beuki
ngadongsok, kumaha carana
ngagunakeun kasempetan kaayaan
jiwa Rosul. Kanggo Rosul harita,
badé teu sedih kingkin kumaha,
istrina nu salami ieu nu ngabéla
perjuangan Islam, kitu deui Abi
Thalib nu mampuh ngabédéngan
Nabi tina kabengisan kaum Qurais,
harita parantos ngantunkeun.
Margi kitu, ku Mahakawasaan
Gusti, Alloh Swt. masihan
"rahmah"-Na, pikeun méré pituduh
ka Rosul-Na, Muhammad SAW.
"Warahamatii wasi'at kulla syaein",
kitu Alloh negeskeun dina al-
Qur'an. Rosul SAW dina peuting nu
sarwa prihatin sareng rupa-rupa
ujian, Alloh SWT ku Maha
Kakawasanana, Rosulullah diajak
jalan-jalan (isra) terus naék
(mi'raj), ditingalikeun kumaha
perjuangan para nabi sareng rosul
saméméhna, dugi ka Rosulullah
SAW tiasa ningal langsung kaagu-
ngan Ilahiyah di Sidratul Muntaha.
Waleran Solat
Sakumaha kaunggel dina surat
Al-Israa, Isra Mi’raj sanés kajante-
nan nu biasa, tapi nu luar biasa. Ka-
jadian nu sacara qat’i didawuhkeun
ku Gusti, mémang nanjeurkeun
kaluhuran jeung kaagungan ajaran
agama. Saparantos Rosul lulus
nandangan hiji ujian nu kacida
beuratna, saterasna Rosul ka-
sumpingan Malaikat Jibril pikeun
ngabubungah tur disucikeun
haténa. Saterasna Rosul dicandak
sareng diiangkeun pikeun ningal
kakawasaan Alloh Swt.
"Subhaanalladzii arsoo bi 'abdihii
laelam minal masjidil haram ilal
masjidil aqso alladzii baaroknaa
haolahuu, linuriyahuu min
aayaatina, innahuu huwassami'ul
basyiir."
Nalika Rosul mi’raj ditaékkeun
dugi ka langit katujuh, ditingalikeun
kaanéhan-kaanéhan. Hiji gambaran
manusa nu parantos kajadian sareng
nu bakal kajadian. Malihan dugi ka
tingalikeun surga sareng naraka
pikeun umat manusa. Nalika singgah
di sababaraha tingkatan langit,
ditepangkeun ogé sareng para Rosul
nu sami-sami perjuanganana dina
nanjeurkeun agama nu hak tauhid
Illalloh. Dugi ka puncakna ka Sidrotul
Munthaha, Rosul nampi tugas pikeun
nyumponan solat wajib lima waktu.
Kitu kakawasaan Alloh
sakumaha dawuhanana. Teu aya
deui rasa mangmang Rosululloh di-
iangkeun nu sakitu gampilna, margi
mung Alloh nu gaduh ieu alam jagat
raya. Tapi bénten deui sareng kaum
harita Qurais Jahiliyah téa.
Saparantosna Rosul ngadugikeun
kaagungan Gusti, sanés percaya tapi
kalah beuki ngalédék, ngalélécé.
Malahan beuki loba nu ngahardik,
cenah Rosul ayeuna mah beuki lieur
beuki gedé bohongna! Anging Alloh
nu Maha Uninga tur Kawasa kana
sagala rupaning kakawasaan,
Rosululloh saparantosna dilatih
Hikmah Isra' Mi'raj Rosulullah SAW.
Ngadegkeun Solat, Nguatan Ukhuwah Umat
Ku Arif Nur Hakim
16.
15Manglé 2478
sareng ditingalikeunkumaha sipat-
sipat manusa saméméhna, sanés
bendu tapi ningalikeun paromanna
nu langkung mulya, sahingga para
sohabat nu tumut langkung per-
caya. Sapertos dicarioskeun ku
Sayyidina Abu Bakar. Anjeunna nu
pangheulana percaya dipayuneun
kaum Qurais, yén teu aya deui jalmi
nu soléh sareng jujur anging
Rosulullah. Teu aya sakedik ogé nu
rasa cangcaya kana ucapan Rosul.
Para sohabat lianna beuki yakin,
mustahil kanggo Rosul nu saé
ahlakna upama kedah ngabohongan
umatna.
"Wasta'iinuu bishshobri wash-
sholaati wa innahaa lakabbiirotun
illa a'lal khosyiin." Ieu surat Al-
Baqoroh ayat 45 téh mun disunda-
keun mah kieu: "Jadikeun sabar
jeung solat pitulung pikeun
maranéh, saenyana éta téh kacida
beuratna anging pikeun jalma nu
khusyu." Ieu oléh-oléh nu kacida
agungna, solat wajib nu lima waktu.
Sabab, pancén ieu, mibanda kani’-
matan nu dibarung ku pitulung
Alloh. Sapertos katingal tina
sababaraha ujian Rosul sateuacan
Isro Mi’raj, geuning dina kaayaan
kitu téh jalanna mung ku taqorrub
ilalloh, nyaéta solat.
Kitu deui upama Isra Mi’raj
pinuh ku kaagungan alam jagat
raya, éta ogé apanan sadayana aya
dina kamulyaan solat. Lima waktu
ogé nuduhkeun sangkan manusa
téh kedah aya dina patokan waktu.
Lalampahan manusa diieu alam
dunya moal leupas tina waktu.
Margib Isya Subuh Asar Lohor sa-
daya nuduhkeun kana patokan
waktu nu kacida luhungna. Dina
patokan waktu éta, urang di-
piwarang sangkan saheunteuna
urang téh kedah tawakal ka Alloh.
Solat dina waktu nu tos ditangtu-
keun ogé nu leres mah, sanés nu
lénglé, tapi nu ‘ala waktuha jeung
husyu.
Dina kaayaan kitu, solat urang
bakal nyumpingkeun takwa téa.
Margi, teu kirang-kirang jalmi anu
kaayanana nuju séhat jagjag
waringkas, dak dumadak katarajang
kasakit, boh kasakit lahir atanapi
batin. Alatan kasehatanana teu
dibekelan ku katakwaan sapertos
ngadegkeun solat, nu kaluar mah
sok hawa napsu. Tah upami anu
dibekelna takwa mah boh nalika
sehat atanapi teu damang, bakal
tetep ajeg dina rido Gusti tur éta téh
mangrupi ciri jalmi anu akalna
walagri. Dawuhan Alloh SWT.: Inna
Sholata tanha’ ‘ani al fakhsya wa al
munkar. Nu hartosna kieu: Saéstu-
na solat téh nyingkahan tina polah
nu jahat jeung mungkar.”
Seueur paréntah diwajibkeun-
ana solat, tapi sakedik jalmi nu
terang kana hikmah solat. Kitu deui
mungguh manusa tara awas kana
ni'mat, nu sok padahal ku dipapari-
nan kahirupan ogé geus mang-
pirang-pirang ni'mat anu hésé
pikeun diukur sakumaha pangajén-
na.
Ku kumargi kitu, sakumaha tadi
yén solat téh tugas. Ari tugas
apanan nyandak hikmah. Margi
solat téh tugas urang, janten urang
ogé wajib ngajak jalmi supaya solat.
Ulah tebih-tebih ka putra-putra
urang, ka carogé, ka tatanggi sareng
sajabina, ieu tugas. Naon sababna
kedah dilebetkeun kana tugas?
Margi dina muterna alam muterna
jaman, polah jalmi téh geuning
beuki robah.
Solat Nanjeurkeun Ukhu-
wah
Islam teh agung tur linuhung.
Lantaran kitu, upama ajaran
agama, sapertos Solat henteu
dilaksanakan, hartina eta jalma
geus ngaragragkeun kaagungan
Islam. Kaadilan, kajujuran, atawa
pamingpin nu amanah, sakumaha
diagungkeun dina ajaran Islam,
mung saukur harepan wungkul,
upama umat ninggalkeun solat.
Islam negeskeun, yen ciri antara
mu’min jeung lianna (kafir), nyaéta
solat. Hartosna, solat nu jadi rukun
Islam, leres-leres jadi pangraket
kaum mu’minin. Asholatu imaddu-
din. Solat teh tiangna agama.
Hartosna, saha jalma nu teu
ngadegkeun solat, eta jalma geus
ngaruntuhkeun agama. Upama geus
ngaruntuhkeun agama, hartina eta
jalma geus embung ngajaga poko-
poko agama nu di antarana kawaji-
ban hifdul umat.
Nu jadi patarosan, naha loba
umat Islam nu pabureuncay dina
pamadeganana? Waleranana lan-
taran loba di antarana jalma-jalma
henteu ngajadikeun Islam keur alat
nanjeurkeun ukhuwah. Upama kitu,
tangtu ieu téh bahla. Loba cara keur
ngajaga umat, di antarana solat ber-
jamaah. Ngan deui-deui loba jalma
nu teu mampuh nyandak hikmah
tina kakedahan solat berjamaah.
Sok padahal, upama umat terang
kana pentingna berjamaah, ajaran
Islam bakal leuwih ngamulyakeun
umat.
Bulan Rojab, bulan nu agung,
bulan dilungsurkeunana parentah
solat, sawadina jadi eunteung umat
keur ngajaga ukhuwah umat. Kitu
deui ka pribadi-pribadina, upama
dibandungan mangsana kiwari,
kantenan matak pikahariwangeun.
Di saban tempat jeung di tiap
kawijakan ti pangusaha nu mayori-
tas Islam, henteu ieuh ngajadikeun
solat minangka tali pangraket
ukhuwah umat. Ieu tanda, yén
bangsa urang mémang geus teu
maliré deui kana urusan ajaran
agama. Bangsa urang geus teu aya
deui nu ngatur kana paripolah ka-
manusaan. Nu aya jeung bukti
kalah sabalikna. Seueur polah jeung
pasipatan bangsa nu ahirna
ngajurunglaku jeung ngamomoré-
keun kana papagon agama.
Margi kitu, mudah-mudahan
dina ngeusian sasih Rojab taun ieu
2435 H, urang salawasna
dipaparinan rohmat sareng hi-
dayah Alloh Swt.. Allohuma laa
tuji’kulubana ba’da idhadaitana
wahablana milladunka rohmah,
innaka antal wahhab. Amin ya
robbal ‘alamin. ***
17.
Manglé 247816
TTanyaJawab
Patarosan:
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Tumaros ngeunaan jama’ solat
upama dina kaayaan macét. Sapertos
nalika di jalan nu macét nu mangjam-
jam, kumaha kedahna. Hatur nuhun
kana waleranana.
Wassalam,
Ade Safrudin
Cibadak Sukabumi
Waleran:
Ti payun ngahaturkeun nuhun kana
patarosanana perkawis solat. Kaleresan
deuih, ayeuna sasih Rojab, nu mana
dilungsurkeunana kawajiban solat.
Hartosna badé keur kumaha ogé teu aya
alesan kanggo ninggalkeun solat, kalebet
upama nuju macét nu mangjam-jam
atawa nyeepkeun waktos nu lami.
Dina édisi Manglé kapungkur ogé
kantos nerangkeun perkawis solat nu
patali sareng saba-sabab ayana jama’
solat. Ayeuna urang waler deui, mudah-
mudahan ageung mangpaatna, utama
dina kakedahan nepikeun ajaran agama,
sok sanaos sababaraha kali. Da mémang
kitu ari ajaran agama mah, geuning sok
seueur nu babari hilap deui.
Patali sareng patarosan, saéna urang
waler heula katangtosan waktu-waktu
solat nu tos ditangtukeun dina Alquran,
sakumaha pidawuh Alloh SWT anu
unggelna: “Saéstuna solat mangrupa
kawajiban anu tos ditangtukeun waktu-
waktuna pikeun ka jalma-jalma anu ari-
man.” (QS. al-Nisa: 103). Ayat sanésna
nyebatkeun: “Prak adegkeun solat ti
mimiti panon poé condong nepi ka peu-
ting jeung waktu subuh. Saéstuna solat
subuh disaksian ku para malikat.” (QS.
al-Isra: 78). Sedengkeun ningalkeun solat
kaasup dosa tur ngarusak kana kaimanan
hiji jalmi, sakumaha pidawuh Alloh SWT.
anu unggelna: “…. Mangka datang
sanggeus maranéhna generasi anu
ngamomorékeun kana solat jeung nutur-
keun hawa nafsuna, mangka maranéhna
dina poé engké bakal manggih jalan anu
sasar.” (QS. Maryam: 59).
Dumasar kana ayat Alquran ieu,
mangka solat mangrupa kawajiban anu
henteu bisa ditawar-tawar deui pikeun ka
jalma-jalma anu ariman. Saupama aya
hiji waktu anu henteu dilaksanakeun bari
dihaja mangka tos kaasup dosa, malih
dina Hadits disebatkeun: “Solat mang-
rupa tihangna agama, sing saha anu
ngadegkeuna mangka manéhna tos
ngadegkeun agama, jeung sing saha anu
ninggalkeunana, mangka manéhna tos
ngaruksak agama.”
Ku kituna saperti dina kaayaan urang
nuju kumaha waé, saperti dina kan-
daraan nu kapegat macét sedengkeun
geus kana waktu solat, saupama bisa di-
laksanakeun di luar mobil sakumaha
ilaharna, mangka hal ieu leuwih hadé.
Tapi saupama henteu bisa atawa henteu
mungkin alatan kandaraan keur macétna
mangka meunang ngalaksanakeun solat
dina kandaraan. Namung saratna kedah
mayun ka kiblat nalika takbiratul ihrom
teras solatna disampurnakeun ka mana
waé mayunna luyu sareng arah majuna
kandaraan. Carana, tetep bari calik di
tempat (di jok mobil). Saupama ruku,
mangka salirana ditungkulkeun sakedik.
Teras saupama sujud, mangka salirana
ditungkulkeun leuwih handap ti batan
nalika ruku. Cara saperti kieu dumasar
kana Hadits Nabi anu sumberna ti Ya’la
bin Murrah anu diriwayatkeun ku Imam
Ahmad sareng Tirmidzi. Ya’la kantos
nyarengan Nabi Muhammad SAW. di hiji
tempat, teras turun hujan, taneuh jadi
baseuh. Henteu lami datang waktu solat,
Nabi maréntahkeun salasahiji sahabatna
supaya adan teras komat. Teras Nabi
solat di luhur kandaraan. Ti harita Ya’la
ngabéjakeun ka para sahabat lianna
wiréh Nabi nalika solat di luhur kan-
daraan saupama ruku, salirana nungkul,
saupama nalika sujud, salirana leuwih
tungkul ti batan nalika ruku”. Dumasar
kana kajadian éta, mangka tiasa di-
jadikeun sumber kanggo ngalaksanakeun
solat saupama dina kaayaan darurat
pisan, saperti upama keur kapegat macét.
Ngan langkung saéna mah, sateuacan
angkat urang kedah tos tiasa nyawang
kana kaayaan pimacéteun di jalan, nepi
ka waktu solat (contona waktu solat Asar)
bakal luput atawa bakal kaliwatan. Ku hal
kitu saena urang buru-buru solat heula,
teras angkat. Ku cara kieu, mangka waktu
solat Asar moal lapur. Tapi saupama
naék kandaraan sateuacan datang waktu
solat, teras kapegat macét di jalan bari
moal bisa turun heula, mangka bisa di-
jama’. Ngajama’ solat dimeunangkeun
nalika aya hajat atawa dina kaayaan
darurat, sok sanajan lain dina kaayaan
keur musafir. Contona nalika kapegat
macét dina waktu solat magrib nu waktu-
na samporét pisan. Dina kaayaan kitu,
mangka solat magrib meunang dijama’
kana waktu solat Isya (jamak ta’khir).
Tapi saupama solatna henteu bisa di-
jama’ saperti solat asar mangka pilihan
kadua nyaéta ngalaksanakeun solat dina
kandaraan. Wuduna? mangka tiasa di-
ganti ku tayamum.
Di antara dalil anu ngameunangkeun
jama’ solat salian ti waktu nyaba (safar)
nyaéta Hadits anu nyebatkeun: “Rosulul-
loh SAW. pernah ngajama’ solat lohor
sareng asar, ogé magrib sareng Isya di
Madinah, sanés lantaran ngarasa sieun
ogé sanés lantaran hujan”. Salasahiji
sahabat naros ka Ibnu Abbas: “Naon
maksadna Rosul ngalakukeun saperti
kitu?” Ibnu Abbas ngawaler: “Mantena
henteu hoyong umatna ngarasa beurat
dina ngalaksanakeuna paréntah Alloh.”
(HR. Muslim). Malih dina Hadits
sanésna disebatkeun, wiréh Rosul di
Madinah kantos ngajama’ solat padahal
teu aya sabab hujan ageung, atawa teu
damang, tapi Rosul ngajama’ lantaran
alatan lianna anu kacida daruratna.
Dumasar kana pedaran di luhur tiasa
disimpulkeun, wiréh ngajama’ solat
dimeunangkeun nalika kapegat macét
anu henteu bisa dikukumaha deui.
Saupama solat anu henteu bisa dijama’,
tur dina kaayaan darurat, mangka meu-
nang solat dina kandaraan. *** Wallohu
‘alam.
Solat Jama’ Waktu Macét
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
19.
Manglé 247818
CCaritaNyambung
(6)
S
ugan téhrék
ngajak ningalan
toko-toko
sabudeureun
hotél terus uplek
ngobrol deui di
kafé bari ngopi. Horéng di-
ajak kana mobilna.
“Urang ningali panon poé
surup ti Munara Eifel mana-
wi kaudag kénéh,” pokna.
“Da atos ka dinya mah,”
ceuk kuring.
“Éta mah siang. Ayeuna
sonten. Unik geura,”
walonna. Biur baé ngajugjug
deui wangunan nu kamashur
saalam dunya, Munara Eifel.
Sajajalan Pierre nyaritakeun
pangalaman nalungtik karya-
karya budaya lawas nu
diusulkeun jadi warisan bu-
daya dunya. Atuh kuring so-
rangan nyaritakeun kahirup
an urang Sunda bari teu poho
ngaguar ajén-inajén nu
nyumput jeroning lagu jeung
rumpaka Tembang Sunda.
Asa beuki genah tur nyam-
bung ngobrol téh. Malah
pogot nepi ka teu karasa geus
nepi ka nu dijugjug.
Plung-plong awas ka ma-
mana ti luhur mah. Loba
deuih nu ngahaja “megat”
panon poé surup ti lebah
dinya. Geura baé kota Paris
nu ngampar satungtung ti-
ngal sasatna aya handapeun
suku. Wangunan-wangunan
nu ngajalegir jarangkung ogé
ukur sagedé korék api bisa
kaciri hateupna ti dinya mah.
Jalan butbat di mana-mana
teu kaitung lir ramat lancah
museur ka Munara Eifel.
Wahangan Seine nu meulah
kota atra caina semu kulawu
wanci reupreupan mah.
Ceuk Pierre Munara Eifel
minangka titik puseur kota
Paris. Wilayah-wilayah
sabudeureuna dirancang
mangrupa bunderan konsén-
trik. Beuki deukeut ka titik
puseur kota beuki mahal
harga bangunan jeung séwa-
anana. Hanjakal harita langit
teu pati cangra, semu reueuk
kahalangan méga. Duka mé-
ga duka polusi kétang. Teu
lila dina méga katingal taram-
taram aya cahya soré ting-
arudat. Kabeneran rada
nyingray bréh panon poé
sagedé tungtung roko ném-
bongan tina sela-sela méga
kawas nu ngintip. Jingga
katingalna ku kuring mah teu
ngempur kawas panon poé
surup di urang. Jalma-jalma
nu aya tingtarunjuk bari
ramé cacarita lantaran
nimbulkeun kaéndahan nu
unik nyaéta garis-garis ca-
haya nuansa warna konéng,
beureum jeung biru saulas.
Teu lila les deui katutup méga
warna kulawu. Niténan
panorama alam kitu ngadak-
ngadak nyelek rasa nalangsa.
Ningal kota nu sakitu upluk-
aplak satungtung tingal
nimbulkeun kasadaran diri
téh karasa pisan leutikna.
Komo di payuneun nu
nyiptana mah éstu taya
hartina. Padahal remen pisan
sorangan sok ngarasa leuwih
punjul ti batur pangpangna
dina rupa, kabisa, jeung
kaboga. Lat baé poho kana
kasauran guru, “Ari jadi abdi
seni kudu salawasna ngarasa
diri héjo ambéh jadi asak.
Sing saha nu ngarasa dirina
asak dagoan baé burukna.”
Kitu deui ningal polah
jalma-jalma nu sakitu guligah
tur mihélok surupna sra-
ngéngé nu ukur sagedé tung-
tung roko ... ras ka sarakan.
Unggal poé di urang mah bisa
nyaksian surup jeung mele-
tékna srangéngé bari tara
ieuh mihélok. Kaasup kuring
sorangan éta téh. Padahal ari
mihélok téh awal tina rasa
hormat jeung misukur ka Nu
Kagungan. Kuring sorangan
ngarasa jajauheun tina
misukur kana sagala
kanugrahan ti Mantenna nu
katampa salila ieu. Moal
dipungkir.
Teu karasa panon ngem-
beng, nginghak lalaunan,
cipanon merebey. Sigana nu
nangtung gigireun nguping-
eun, da tuluy eureun ngajak
nyaritana. Karasa manéhna
melong teleb. Kuring nga-
lieuk bari teu wasa nyarita
lantaran karasa cipanon
beuki ngagarajag. Pierre
kaciri reuwaseunana.
Kek taktak duanana
dicekel. Kuring jeung manéh-
na pahareup-hareup.
“What’s wrong, honey?”
sorana ngageter bangun hari-
wangeun pisan.
Teup paadu teuteup.
Socana linduk. Teu sadar
sirah nyuuh kana dadana nu
sembada. Manéhna
nangkeup. Gustiii, naha bet
ujug-ujug timbul rasa
tengtrem asa boga panyaluu-
han nu tohaga. Asa aya rasa
nu leungit hég kapanggih
deui. Duka naon. Teu lila,
leungeunna karasa ngusapan
sirah. Ngusapan deudeuh.
Pipi kénca katuhu dicium
lalaunan.
Basa manéhna tungkul,
kuring tanggah neuteup teu
neuleu ... pasrah. Tapi barang
lambeyna méh antel, kuring
spontan tungkul bari nahan
dadana lalaunan ku dua
leungeun. Atuh ngan keuna
kana tarang nyiumna téh.
“Sorry, I’m not ready yet,”
ceuk kuring ngaharéwos.
Karasa napasna ngagentak
reuwas, terus ngawalon ba-
ngun éra. “Never mind, never
mind, no problem. I’m deeply
sorry too,” pokna bari ngudar
rangkulanana. Sorana
ngageter.
Terus terang lain teu
resep jeung lain teu hasrat
bieu téh. Malah pasrah
rarasaan mah. Tapi ukur
C’EST JOLIE
H.D. Bastaman
(Panghormat ka para panaratas tembang Bandungan,
hususna Ubun Kubarsah sareng Nénéng Dinar)
(4)
20.
19Manglé 2478
sawatara detikméméh pa-
antel lambey ujug-ujug bréh
dina ciciptan raray Emah,
nongtoréng kasauranana
basa pamit munjungan ka
anjeunna.
“Bral miang didungakeun
muga salamet rahayu. Insya
Allah mun engké Antin mu-
lang sing tetep sétra beresih
siga ayeuna Antin suci leupas
tina leungeun Emah.”
Éta nu kacipta harita.
Ukur sawatara detik méméh
kuring kapurba rasa geugeut
nu geus lila sirna.
Sajajalan aya kana tilu
kalina Pierre sasadu ménta
dihampura. Taya maksud
ngahina cenah. Walon ku-
ring, “Urang popohokeun
baé. Sigana urang harita
kapangaruhan ku situasi.”
Enya kawasna mah. Sa-
jaba kagémbang ku panora-
ma nu sakitu éndahna, harita
katingal aya sabaraha pasa-
ngan nu silih rangkul
némbongkeun kageugeut. Di
Prancis mah taya nu miduli
mun aya nu silih rangkul silih
cium di tempat umum ogé.
Malah mun urang melong nu
keur silih asih, hég kabeneran
aya pulisi, kalah urangna nu
ditegor pajah tong ngaganggu
privasi batur. Tapi … tapi …
lain … lain kitu sabenerna
mah. Asa leuwih jero. Tapi
éta mah disidem jero haté.
Méméh nganteurkeun
deui ka D’Diamant, Pierre
ngajak nyimpang heula ka
réstoran, sabab geus waktuna
dahar peuting.
Tah bari dahar Pierre
nyaritakeun deui riwayat
kulawargana. Cenah ramana
nyatujuan Pierre dige dékeun
dina tradisi Katholik cara
ibuna.
Tapi basa rék pupus,
ramana ngaharéwos sangkan
Pierre nganut agama Islam.
“Teu acan tiasa
ngalaksanakeun amanahna
dugi ka ayeuna ogé. Da
kumaha atuh ti aalit pageuh
ngagem agama Katholik
sapertos pun biang sareng
kulawargana,” cenah.
Pierre nganteurkeun ku-
ring nepi ka lobi hotél. Basa
sasalaman rék papisah,
manéhna ngomong kieu,
“Dungakeun sangkan tiasa
anteb haté ngalaksanakeun
amanah pun bapa sareng
tiasa dongkap deui ka Indo-
nésia.”
Kuring teu sadar ngawa-
lon “Aamiin ya Robbal
Alamiin.”
Ti harita manéhna pleng
les taya béja teu carita nepi ka
ayeuna. Méh kapopohokeun.
(lajengkeuneun)
21.
Manglé 247820
A
sa muring-
kakbasa
ningali Si
Jalu titirik-
tikan bari
disaragam
pangsi sing sarwa hideung.
Iket batik hawukna dibagu-
dedkeun nutupan beungeut
nyésakeun culak-cileuk
sapasang panonna anu lucu.
Nyeplés panon indungna.
“Bah, tingal Danang!
Pendékar Kalong Hideung
nya?” cenah ngaabahkeun.
Dina leungeunna lima pasi
awi temen anu geus dijieun
mirupa balati sajeungkalan
ngolécér ditalian ku rapia
beunang ngarara.
“Yu Bah ah, badé
ngabasmi penjahat heula!”
Pokna ngagorowok bari
ngabiribit ka tukangeun
rungkun walini, kadéngé
récok babaturanana
ngabagéaken.
“Naaang, teu kéngéng
tebih teuing amengna!” Pa-
majikan ngajéréwét ti
tukang. Mangsa sareureuh
budak, tingtrim peuting
ngadedempés dina rangku-
lan jungkiring lamping.
Bulan teu némbongan tapi
amparan jomantara cangra
hibarna ngémbrat ka sakur
pupucukan nu kalan-kalan
galideur. Dina golodog gom-
bong, sada rekétna ngaba-
rubahkeun kasimpé. Naluri
batin nyadap ringkang
lemes, rét kana panto angger
teu endag.
Teuteupan anteng deui
kana wates embun-embu-
nan gunung sawatara gerét
risbang di pangkéng teu ieuh
ditolih. Paling gé pamajikan
rék ka cai. Pamajikan anu
leuwih ti sawarsih di-
pihukum; pamajikan anu
purah maturan ngukir langit
ngaréka béntang milang
ayang-ayang méga malang
di awang-awang. Diuk
ngémpol méré ombér tapi
kalah ka jempling. Paralak,
sada pamalédog kana rung-
kun kapol laga. Lenyap!
“Maenya manéhna mah,
palias teuing aya mamali-
CCaritaPondok
Si Balati DemitCarpon Emha Ubaidillah
22.
21Manglé 2478
hanana?” Cekhaté.
Iket nu meulit na beu-
heung diudar, mancén sa-
biasa ngabarangbang
semplak dina sirah. Panca
dria dipepet gumulung dina
satunggal kasayagaan. Ras
ka nu di imah, dua beu-
beulahan nyawa. Jung
cengkat tapi kolébatan ti
hareup jeung ti gigireun
mugagkeun obah awak.
Brek dépok, meta capit la-
ngir, kep kep trang. Paka-
rang nu taya lian
balati-balati leutik plak-pluk
hareupeun.
Hiuk, angin panarajang
nyeleccep kana puhu ceuli.
Bari ngarawu balati laju di-
pangpéngkeun kana galar,
sirah ngagiwar. Lol, peureup
meuleuneu. Cleb cleb cleb
sada balati, kedét nyémpong
mahpral pigeulang lawan.
Orokaya sasaran ngenyed,
plos. Nilik wewesénna anu
lain lawan-lawaneun mé-
méh mumuluk, awak
dikoprolkeun ka buruan.
Bréh dedegan lempay
sing sarwa hideung, buni ka
beungeut-beungeut. Can
museur lelembutan, panara-
jang kaburu merekpek lir
hujan silantang. Ukur sud
sed miceunan dina kuda-
kuda wangun pancer. Lawan
ngareuceuh bincurang dina
peta babad pacing. Lawan gé
surti sakilat ngarobah teung-
geulan meupeuskeun kon-
séntrasi. Suruntul teunggeul
gelap ngampar, duk!
Nyayang kana dada. Kuring
ngaheugeu, guprak wéh api-
api kapaéhan.
“Kakaaang!”
Méméh lunta ka tatar
wétan, Bapa mopoyanan
sangkan kuring ngasakkeun
pangarti heula ka Aki Uda di
Dukuh Mandalapaksi, geger
Manglayang. Aki Uda nu
taya lian sobat dalit jenatna
aki kuring kawentar sarta
kungsi jadi legenda dunya
pasilatan, Ranggayuda Si
Balati Sewu sedeng Si Aki
mah mangsiun manéh sarta
geblus mancén dines kapa-
maréntahan. Sangggeus sah
ti dunya, nya bapa kuring
anu nuluykeun kalungguha-
nana.
“Apa katut aki hidep
mah, lain pakna jadi jawa-
ra,” cék bapa dina hiji poé.
Sajolna di panganjrekan
Aki Uda teu ieuh tumarum-
pang lantaran pada mika-
conggah, dipiadi ku sobat
anu saluhureun.
Dipilanceuk ku sahan-
dapeun. Komo ku mojang
tunggal endog beubeureum-
na Enin katut Aki Uda, si-
patna Andini.
“Kula téh banget tibelat
ka Abah jeung Ambu di lem-
bur, Ki Adi. Asa kokolébatan
marengan saban ringkang.
Kudu mulang heula Kula téh
kaya kieu mah,” gerendeng
Ki Sobat, Tubagus Danang.
Sobat anu pangraketna di
antara murid Aki Uda.
Duaan ngabebengkang dina
amparan jukut, ngadon
ngahérang ngarajut harepan
dina kebenan méga-méga
anu ngarariut. Manéhna
geus puluhan taun, meujeuh
mun pada mikaserab ogé
jaba cenah teureuh rakéan,
para ménak Banten.
“Entos pupulih ka Aki?”
ceuk kuring sanggeus nga-
heneng salila-lila, can naon-
naon geus asa lengiteun. Nu
ditanya ngarahuh, unggeuk-
unggeukna mah laju nga-
rénghap jero nguyup hawa
soré tina kulincir angin pasir
sakaligus bangun ngutah-
keun manglaksa katugenah.
Jung cengkat, babatek.
Gerewek kana pigeulang
kuring,
“Urang ngajagjagkeun
tuur wé yu ah!” Pokna bari
ngaréngkas bincurang, gen-
tak jingkrak. Jejek mekar
nyusul tepus kana kekem-
plong, gilek nyérong ngénca.
“Baku ari geus nga-
lonyéng téh dia mah,” ku-
ring ngagolékkeun
pigeulang, kek disalin. Srod
kuda-kuda ngawangun
punggel, julaprét dampal
suku manéhna ngangkang,
jekok kana dada marengan
séréd punggel ngajeblag
awakna, blak wéh duaan
nangkarak bengkang bari
ngabarakatak babarengan.
Ngan teu labas, kabaribinan
ku nu anyar datang, kuring
méh-méhan kabesékan.
“Kakang?” Horéng An-
dini. Aya ku sieup tur lucu
badis Putri Dewi Sarkati
ngajengjen dina papayung
layung. Danang ngalieus
basa kuring pateuteup téh.
“Aya naon Din?” Danang
nyelengkeung.
“Disaur ku Abah, khusus
Kakang Dan. Aa Dika mah
henteu.”
Sapurnama ti harita,
karasa cuang-cieung sab Ki
Sobat tulus mulangna. Dina
itungan kalima purnama can
embol-embol. Jejeg sataun
teu béja teu carita. Reujeung
Andini ngupayakeun nga-
jaga jarak da sihoréng
papacanganana.
“Aki mah moal nyarék,
moal ngahempék-hempék
ngan baé pancén hidep di
dieu can réngsé. Kadua ti
éta, Aki banget inggis katem-
puhan ku bapa hidep,” pok-
pokan Aki Uda ngageuri
basa kuring pupulih hayang
mulang, matek lilinggeran
sadar kana tujuan awal.
Gilig geusan ngulik pa-
ngarti ngalesu kaweruh
sabari geusan ulun ka nu
jadi guru. Kadar ka Andini,
seug rék diaku adi pituin ki-
lang kanyaah séjén teu bisa
disisilihan enyoy-enyoyan
sok komo mun pareng
nganyahoankeun dirina
keur midangdam di
mumunggang. Ngahelasna
mah kabina-bina tapi da teu
bisa kukumaha. Nu nga-
gubag-gabig rawah-riwih,
kuring nahan piseurieun,
siet nyabet cadarna. Bray.
“Kakang ih!” pamajikan
ngajéréwét bari jingkrak tapi
rangkulan kuring leuwih
rikat. Usik patalukan meta,
pamajikan ngajehjer balukar
digaléntor. Ragamang kana
cekelan, kulawit neueul dina
saluhureun ambenna.
“Bingah teu?” Cenah.
Koréjat cengkat ngarawu
awakna nu sigset sing sarwa
ngeusi.
“Eusian deui. Eulis?”
“Tos tilu sasih saur Ema
Paraji mah, Kakang,” pama-
jikan nompo geugeut.
Regeyeng dipayang ka
tepas. Basa muncul karaman
ulon-ulon gorombolan ti
leuweung, kuring sabatur-
batur remen mancén
ngaronda. Nu hélok bet
ngalaman béntrok reujeung
nu dianggap gegedugna.
Ngan saban rék prung ijén
sok mindeng muncul ogé
jawara cadar hideung nga-
borobotkeun puluhan balati
leutik. Si gegedug anu sok
make topéng loréng hulu
lodaya kanjat ngiles kamana
boa.
Nu leuwih hélok turta
matak ginggiapeun ku
pakarang-pakarang anak
buahna, ratusan harupat
mencos, jelas mapakan
pangabisana anak murid Aki
Uda nu kakoncara ahli ulin
balati. Hiji peuting nu teu
kapopohokeun, kapacikeuh
meleg-meleg basa ngobrot
ka jauhna ana rét ka tukang,
Dusun Mandalapaksi geus
dikeput haseup hideung,
“Cuang baralik deui,
dulur-dulur!” Kuring nga-
jorowok.
Riek léngkah saratus
dalapan puluh darajat malik
pating berebet patarik-tarik.
Ari gok, gebeg. Panganjre-
23.
Manglé 247822
kan AkiUda geus sate-
ngahna kahuru. Teu miroséa
nanaon, awak ngambul ka
hareupeun tepas. Ras ka An-
dini, ka Aki jeung Enin
Uda…di marana? Lenyap,
gigireun jeung tukangeun
pating sariet sada pakarang
lemes ngalempag. Karérét
tumpukan bahbir, gentak
ngareundeuk nénjrag jagat,
sababaraha lambar papan
bahbir ngalayang mapag
sentétan ratusan harupat,
clep clep clep. Jlung jleng
opat juringkang narajang
“Masyaalloh, balad Si
Topéng Loréng geuningan?”
Gerak awak miheulaan
nyampeuk. Koléang, koléang
gebut, tiluan mecleng kana
balungbang. Bereset limaan
ningker kékép, sakeur kuring
bener-bener paéheun
léngkah sawatara seuneu
geus ngaléntaban para imah.
Sret sret, sora-sora matak
gigis pating arajol tina ma-
sing-masing warangkana. Di
luar panyangka, jorélat boro-
bot nyaho-nyaho nyampeuk
tangtungan Si Cadar Hi-
deung geusan ngawut-
ngawut tingkeran malah
saparona rarubuh korban
hujan balati.
“Si Balati Demit?” Kuring
hookeun. Nu diupat méré
isarah sangkan kuring noro-
bos ka imah sedeng babatu-
ran paciweuh irid-iridan
mareuman seuneu saakal-
akal. Gajleng ka luhur tepas,
suku méh-méhan tiporos
kana conggang palupuh.
Panto diteunggar, bréh Aki
Uda keur diraponan puluhan
lawan saragam loréng hi-
deung. Kuring kerung. Aya
naon ieu téh? Andini jeung
Enin Uda ka marana?
Borobot, sada pamikul
jeung balek ngareunteut
ngabuah silalatu ruhak
mancawura. Sarérétan Aki
Uda lir hiber meuntasan
kubengan pager hirup laju
nyamber awak kuring sadar-
sadar geus di buruan. Nu
ningker gé rajleng ngudag
paheula-heula bareng reu-
jeung ngaborobotna suhu-
nan.
“Di mana Enin, Aki?”
Kuring panasaran.
“Aya nu mawa, ku nu
maké cadar hideung!”
“Ari Andini?” Aki Uda
rungah-ringeuh bari ngu-
lincerkeun panon heulangna.
Masing-masing
keupeulanana nyarelap
balati leutik lir kepet guguri-
lapan. Di mana Andini? Aki
Uda nyurungkeun taktak
kuring marengan nga-
brengna panarajang. Tapi
sada maralak mahpral dang-
daunan ngarengkogkeun
gerak saréréa, panarajang
robah ku wangun pakarang
harupat méncos. Wer wer
ngahujanan pakalangan,
borobot treng treng sam-
beran balati laleutik mapag
marengan juringkang Si
Cadar Hideung. Clek nong-
gongan kuring jeung Aki
Uda, tiluan nungku museur
kalang. Sier sier, paser haru-
pat nanding bangbara ti
saban pongpok. Wer wer,
balati-balati teu cicingeun
rek ngahapuk panarajang,
bareng jeung éta jug sada
gorowok handaruan,
“Tahaan!” Gayabag, kop-
rol sababaraha jumpalikan,
ter muter méméh keuneung
niban lemah.
“Si Topéng Loréng!”
Tiluan ngagerendeng
bareng.
“Dia sakabéh saralah
sasaran, ayeuna kénéh geura
mulang ka sarakan, mun-
duur!” Gorowokna deui
matak sawan budak. Teu
sakara-kara nu ngepung
ngabereset lus les di nu poék.
“Kakang, tiris ah, cuang
ka bumi yu,” pamajikan
tipepereket nangkod, garé-
yot-garéyot sada palupuh ka
giridig léngkah duaan.
“Asa cikénéh Ki Sobat
ninggalkeun urang,” pok téh
satengah teu sadar sabot pa-
majikan ngagéléhé kana
lahunan. Gebeg, reuwas
kareureuhnakeun sabab pa-
majikan ngageunggeuik lirih,
“Hampura Kakang Eulis.”
Basa sajleng-jleungeun
rék ngabeledig Si Topéng
Loréng aya nu anéh, tang-
tungan jangkung gedé bet
ngageter laju ngudpruk
tapak deku. Getih
ngabayabah kakarak
katangén tina sela-sela
tarumpahna.
“Aki…Enin…Andini,
hampura kami,” soara ngo-
som jeroeun topéngna
haroshos nahan kanyeri
malah rék ngagurampél
rubuh. Kuring kagét ku dua
ku tilu pangpangna ku polah
Si Cadar Hideung nu nga-
jorelat nyangkéh, jelas
dengék awéwé,
“Kakaang?”
Teregos diudar bréh
beungeut Andini nu geus
cipruk ku cipanon. Nu
nyangheuy dina
sangkéhanana ménta di-
panglaankeun topéngna,
bray gebeg!
“Danang!” Kuring jeung
Aki Uda ngedeprek, watir
kana warugana. Dua balati
nanceb dina dadana sedeng
paser harupat ramiping
saawak-awak. Dina kaayaan
kumpeu balukar ngurutugna
getih, Danang bébéakan
ménta hampura. “Tepi ka
kieuna Jalu.” Aki Uda nga-
limba, kuring ngudupung
béakeun ceta. Cenah
sacundukna ka Banten, nu
jadi kolotna geus pérén kor-
ban kabengisan gorombolan.
Sumpah supata nungkeban
jabaning langit geusan males
pati, nyawa kudu dibayar ku
nyawa deui. Blus nyamar
jadi gorombolan samalah
undak mampuh ngaragrag-
keun gegedugna dina ijén
patutunggalan tepikeun ka
tiwas. Kalungguhan pupuhu
saharita ragrag kana taktak-
na tapi para anak buah anu
satuhu ka gegedug pacun-
dang nyieun makar males
pulih, mucunghul dua kubu.
Silih intip pati geus maranti.
Pamustrunganana kasusud
yén nu sok dikedok hulu
maung téh wedalan paguron
Aki Uda.
“Andika sobat kula, kula
nitip Andini. Wungkul dia
nu payus marengan kahiru-
pan Andini lantaran kanyaah
dia ka Andini sakembaran
reujeung kanyaah kami,”
kitu geter pamungkas
Danang, ranggeumanana
nyeblok dina pigeulang ku-
ring laju ngahanju teu usik
deui. Leungeun teu reureuh
ngusapan, ngulin-ngulin
tungtung buukna nu hi-
deung meles, buuk galing
muntang pamajikan nu
matek kahéman.
“Kang, énjing urang ka
Ambu sareng ka Abah,
sakantenan hoyong jalan-
jalan ka dayeuh,” pamajikan
ngagalindeng, ngabuntut
sisimekeunana.
“Kantenan mangga, sami
Kakang gé tos kangen ka
aranjeunna,” giak némbal
téh bari merenahkeun
ngedengna ngaréndéng reu-
jeung Si Jalu, teu lila gé
ngageubra , lalayaran jeung
Si Jalu jeroeun sagara
impian, pantesna. Inget basa
keur nyiramna,“Mun Gusti
marengkeun brol Si utun inji
téh lalaki, rék diaranan
Danang Sutawijaya geusan
panineungan ka Ki Sobat Si
Jawara Harupatséwu alias Si
Topéng Loréng ti Pakulonan
nu séba nyawa turta nurut
buat, tafaul kana ngaran
Raja Mataram nu ceuk
dongéng mampuh meruh-
keun Ratu Laut Kidul.”
Pamajikan nu taya lian
Andini unggeuk bari ram-
bisak. Teu karasa ayeuna rék
ngadian deui ***
Panglawungan 13
24.
23Manglé 2478
S
ei Tabir
ngagulidag
caah,panon
poé mangsa
reup-reupan,
layung di lan-
git beulah kulon ngempur
hurung, satunggtung ténjo
leuweung geledegan, daun-
daun mayakpak héjo lir
permadani raksasa, sasa-
toan leuweung, ramé di-
sarada patembalan.
Patempatan nyingkur,
jauh ka lembur, nyiruruk
dina saung bedeng, sisi
lamping anu lungkawing,
ngabuang diri. Bongan di
lemah cai sorangan, teu aya
keur ngagantungkeun
pangharepan, tanah sunda
nu héjo lémbok, tanah sun-
da nu cenah subur mak-
mur, geuning teu bisa di
pibaraya.
Dina golodog anteng
niup suling, lagu Sunda
cianjuran, Bulan mambra
nyaangan buruan, angin
ngahiliwir tingtrim, pikir
anteng nutur-nutur sora
suling, nembus panglamu-
nan.
Meunang salagu, eu-
reun heula ngarénghap
panjang, bet di pipireun aya
anu ngagerem, sorana jero,
geueuman, piraku aya
maung onaman, nyuling
deui meulah kasimpé peu-
ting, rus-ras wararaas. Nu
ngagerem téh aya deui,
tarik ayeuna mah, bedeng
ogé asa oyag, batur sabe-
deng ngagajleng kajero,
panto bedeng ditutupkeun,
ret ka beulah katuhu, eu-
leuh, enya baé aya si belang
gedé naker, depa gigireun
sarigsig bédéng, mun rék
ngarogahala mah babari-
eun, sabab golodog téh
ayana di luar.
Teu ieuh sieun, éta
maung téh langsung di geb-
rag, terus diudag nepi ka
maung leungit kana rung-
kun, asup ka bédéng,
babaturan keur ngahodhod
kasi ma, ngomongna
alawah-euleuweuh.
“Ari manéh, ma enya
aya maung ngadon di udag,
hayang paéh anjeun téh?”
“Kabéh ogé bakal maot
Basir, kaasup manéh.”
“Enya, tapi urang
kakara manggihan aya
jalma modél anjeun.”
“Kuring sieun kénéh
nyanghareupan hirup,
batan ku paéh.”
“Naha maké kitu?”
“Sababna, kuring teu
boga kabeungbeurat, teu
dulur, teu baraya, hirup di
tanah Sunda ukur pinang-
gih jeung katunggaraan,
mun paéh di dieu, moal aya
anu kaleungitan, moal aya
anu nyeungceurikan.”
“Kapan boga indung
bapa, lain?”
“Bapa kuring kawin
deui, indung kuring
diculkeun teu di urus.”
“Euleuh, ari indung an-
jeun ayeuna aya dimana?”
“Panjang teuing
dongéngna, isukan ari salsé
di caritakeun.”
Isuk-isuk, kagareuwah-
keun ku anu daratang,
ngaleut dina parahu, lalaki
wungkul, srog éta rombo-
ngan téh ka buruan, terus
uluk syalam, dibagéakeun
sina ka jero, tapi anu asup
téh ukur tiluan aki-aki.
“Kulup, Ujang, aya béja
majar tadi peuting aya
macan ka dieu, enya éta
téh?”
“Muhun, dupi Datuk
uninga ti saha?”
“Aya anu ngabéjaan.”
“Teras maksad Datuk
sarombongan sumping ka
dieu, aya kaperyogian
naon?”
“Wayahna Hidep ku
Datuk rék di tumbalan, an-
jeun téh pasti boga cantri
maung, lamun teu di ala,
engkéna di ati-atikeun.”
“Punten Datuk, kuring
mah moal rék di ala cantri,
pikeun kuring, maot ku
maung, maot ku sato galak
lainna, éta résiko hirup
leuleuweungan.”
“Ning anjeun siga anu
nangtang, loba kajadian
anu nangtang kitu sok terus
dirogahala ku maung”.
“Hirup kuring sumerah
kana papastén, rék maot ku
maung, rék maot di jalan,
rék maot di tempat saré,
kuring sumerah kana
pangersa Gusti Alloh.”
“Ih, nya ari kitu mah
terserah anjeun atuh,
Datuk ukur rék nulungan,
permisi kulup.”
Éta rombongan para
Datuk téh marulang,
ngaleut dina parahu ka
girangkeun. Batur sabe-
deng ngeluk tungkul teu
nyoara.
Hiji poé, di bedeng ukur
nyorangan, bet karesel,
ngaléos lumampah mapay
sisi walungan Tabir, basa
ngaléngkah dina palebah
catang buruk anu badag, ti
beulah katuhu aya anu nga-
gaur, dirérét, bet aya anu
ngarontok ngarah punduk,
rikat ngejat ka tukang, bréh
maung anu kacida badagna
ngolébat dina palebah
panon. Méméh maung
ngarontok deui, sakilat lun-
cat ka hareup, gilek malik
ka palebah maung luncat,
éta maung keur ngadakom,
suku tukangna kokoér,
matana mencrong ngabar-
keun sima, ngagerem
ngeundeurkeun jajantung,
siap rék ngarontok deui.
Waktu adu pencrong
jeung maung, sajuta rasa
pagaliwota dina dada,
ayeuna meureun paéh téh,
pileuleuyan Ema, pileuleu-
yan tanah Sunda, tapi
méméh paéh kudu nga-
lawan heula, cadu kudu
serah bongkokan. Prak
PPuridingPuringkak
Cantri Maung
Andang S. Argayuda
25.
kuda-kuda pageuh naker,
bedogdiabar dina leungeun
katuhu, panon mencrong
teu wani ngiceup, sieun di-
bongohan.
“Hey maung, kop tah
raga badag kula, teu nga-
boga-boga, tapi méméh
paéh kula rék ngalawan
heula, anjeun maung, kula
ogé maung, kula datang ka
tanah Sumatra lain palid ku
cikiih, kula teureuh Sili-
wangi, maung Pajajaran,
sok rék paheula-heula paéh
mah jeung kula.” Bet teu
sadar maké kedal ucap
modél kitu, jeung tarik
ngagorowok, kuda-kuda
angger pageuh dina pasa-
ngan Cikalongan.
Ajaib, duka ngartieun,
duka éléh sima, éta maung
téh sanggeus diomonganan
kitu, ngagaur tarik naker,
gajleng, gorobas, ngabelesat
kana rungkun ngajauhan,
asa teu percaya, asa arara-
néh. Sanggeus kumpul deui
pangacian, neruskeun
lalampahan, muru ka ilir
Sei Tabir, srog ka leuweung
deui, sanggeus sababaraha
léngkah bréh aya dano anu
caina hérang ngagenclang.
Sakuriling dano hari-
eum, areuy hoé pabeulit di-
antara tangkal-tangkal
baradag, titingalian jadi
heureut, jalan sorangeun
jadi leungit. nyingkahan
maung anu tadi bet kalah
kasarung ka alas banda-
wasa, cahaya panonpoe
ukur reyem-reyem, haté
jadi seseblakan, kudu ka-
mana suku ngaléngkah,
sangkan bisa kaluar ti
leuweung geledegan ieu.
Hantem luak-lieuk,
sasambat ka anu kawasa,
ka indung bapa, tapi tetep
baé teu bisa ngarobah
kaayaan, angger teu mang-
gih jalan sorangeun, ka
ditu-ka dieu pinuh ku areuy
hoé anu kumisna rambay
sareukeut.
“Ehm,” keur baluweng,
keur bingung nu teu pang-
gih jeung tungtung, sada
aya anu ngadéhém deukeut
naker.
“Eit, saha anjeun?”
Kagét liwat saking, bet
tukangeun aya jalma kolot
keur ningalikeun.
“Ulah kagét kulup,
Datuk lain jalma jahat.”
“Saha atuh Datuk téh,
jeung anu ti mana?”
“Ngaran mah, Datuk
Abid, datuk urang dieu, tuh
saung Datuk beulah ditu.”
Datuk Abid nuduhkeun hiji
bedeng sisi dano, padahal
Manglé 247824
PPuridingPuringkak
26.
25Manglé 2478
tadi mahbet asa teu
katempo.
“Hatur nuhun, kuring
ditepangkeun jeung salira
Datuk.”
“Beu atuh urang ka
saung Datuk, aya meureun
cai kopi wae mah.” Teu hésé
béléké, terus nuturkeun
Datuk Abid muru bédéng-
na, leutik saung téh, bilikna
tina kulit kayu, palupuhna
ogé tina kulit kayu, hateup-
na tina anyaman daun
kiray. Di juru bédéng aya
hawu tina tanah tumbuh,
diamparan taneuh, sangkan
seuneuna ulah keuna kana
bédéng.
“Tah Kulup cai kopi
panas, kopi Aceh, énak
geura, ngan Datuk teu boga
lalawuhna.”
“Duh katampi Datuk,
sakieu ogé kuring kacida
nganuhunkeunnana.”
“Titingalian Datuk mah,
anjeun téh lain urang dieu,
jiga urang jauh.”
“Leres pisan, kuring
datang ti tanah sebrang,
lunta ninggalkeun sarakan,
ninggalkeun indung.”
“Loba teuing kabeung-
beurat dina haté anjeun,
tapi teu kudu ngabuang
diri, teu kudu aral subaha.”
“Sabenerna teu niat
pikeun ngabuang diri, tapi
lalakon hirup bet ngang-
kleung ka tempat hara-
haraeun.”
“Anjeun téh turunan
jawara, Datuk ogé apal,
ngan anjeun kaasup jalma
épés méér, ari nyanghareu-
pan maung, gedé kawani,
tapi nyanghareupan diri
sorangan bet kawas anu
kalangsu.”
“Leres pisan Datuk, ku-
ring sieun kénéh nyang-
hareupan hirup, tibatan
nyanghareupan pi-
paéheun.”
“Hirup di dunya
salawasna kakeunaan ku
dua perkara, aya susah aya
senang, aya poék aya caang,
aya jauh aya deukeut.”
“Tapi ka kuring mah,
geuning susah waé, poék
waé, jauh waé”
“Ih anaking, kulup,
ujang, moal aya kasenang-
an, tanpa ngalaman kasu-
sah, moal aya kamulyaan
hirup, tanpa ngalaman
katunggaraan, ayeuna an-
jeun asa diteungteuinganan
ku nasib, tapi hiji waktu,
anjeun bakal nganuhun-
keun ka nu ngatur hirup an-
jeun, anjeun bakal ngarasa
sukur ku dibéré ngalaman
hirup anu pinuh ku katung-
garaan model ayeuna.”
“Asa teu kahartos,
Datuk.”
“Naha maké teu kaharti,
pan anjeun téh terpelajar,
béda jeung urang dieu anu
buta hurup, anjeun mah
jiga ngalaman sakola
luhur.”
“Ke, ari Datuk saleresna
saha, bet geuning jiga anu
apal kana sagala kahirupan
kuring.”
“Datuk mah asli urang
dieu, tempat asal mah
Datuk téh urang Kerinci,
ngan ayeuna keur ngalalana
ka beh dieu, masalah apal
ka anjeun, kapan diri an-
jeun anu ngabéjaan.”
“Asa can pernah bébéja
nanaon, pendak sareng
Datuk ogé nembé ayeuna.”
“Sungut anjeun balem,
tapi pikir anjeun ngacacang
teu bisa cicing, anjeun teu
medar lalakon, tapi haté an-
jeun galécok nyaritakeun
kanyeri kapeurih.”
“Tobat, leres pisan
Datuk, kuring mamprung
ka bawa pikir anu salawas-
na teu daék cicing, haté ku-
ring gudawang ku kanyeri
kapeurih, tapi nepi ka ayeu-
na can kapanggih ubarna.”
“Piubareun anjeun lain
di dieu, tapi aya di lemah
cai sorangan, ceuk Datuk
mah anjeun leuwih hadé
geura mulang, karunya ka
indung anjeun, ti saprak an-
jeun miang, indung anjeun
gering pikir.”
“Rumasa, salila tilu taun
leuleuweungan, can kungsi
ngirim béja kanu jadi in-
dung, rék mulang can boga
bekel.”
“Pan Anjeun mah
ngumbara lain rék néangan
dunya, tapi néang pangala-
man, ayeuna mah geus
peuting, batur anjeun leu-
ngiteun ku diri anjeun, jung
geura mulang.”
“Tapi pan teu apal
jalan.”
“Nam di jajapkeun ku
Datuk, tuturkeun Datuk,
tapi peupeujeuh tong luak
lieuk.”
Nuturkeun Datuk Abid
mapay-mapay jalan sata-
pak, anu tadi mah teu ka-
panggih, teu sabaraha lila
bedeng tempat nyiruruk téh
geus témbong.
“Tuh tempat anjeun
geus témbong, Datuk ngan
bisa jajap nepi ka dieu,
Datuk rék mulang deui,
pileuleuyan Jalu”. Sanggeus
ngomong kitu si Datuk téh
salto luncat kana rungkun,
gorobas, gaur, sora maung
tarik naker.
“Allohhu Akbarr, geu-
ningan si Datuk téh maung,
jigana anu tadi narajang,
ieu meureun anu disebut
harimau campa téh, atawa
maung kajajadén téa.”
Kagét lain babasaan, teu
nyangka geuning datuk
Abid téh maung anu tadi.
Kasampak di bedeng
loba jalma, sada keur ngaji
Ya-Siin, terus keketrok bari
uluk syalam, panto bedeng
aya anu ngabukakeun, lol si
Basir ngelol.
“Hantu, tulung aya
hantu,” Si Basir ceuceu-
leuweuhan bari lumpat ka-
jero, anu keur ngaji buriak
lalumpatan.
“Hey Basir, lain jurig
urang mah, masih hirup, pi-
raku jalma hirup disebut
jurig, teungteuingeun
manéh mah.”
“Lain jurig? duh ham-
pura dulur, ari sugan an-
jeun téh geus palastra di
rewag maung.”
“Ari manéh Basir, ka
babaturan téh bet kawas
anu mupuas.”
“Duh ulah salah harti,
urang jeung batur-batur
keur ngadu’akeun anjeun,
da sugan mah enya anjeun
téh ditewak maung, pédah
aya anu nempoeun ti ka-
jauhan, cenah anjeun di
rontok maung, sukur an-
jeun datang deui.”
“Panjang teuing
dongengna, kuring lapar,
aya dahareun teu?”
“Éta kabeneran aya
sangu goréng, maksudna
dahareun saréréa, lamun
geus réngsé ngaji, urang
dahar bareng baé atuh sok.”
Sangu goréng di terian,
lalabna buah takokak, beu-
teung keur kacida laparna,
mani asa kokoro manggih
mulud, puasa manggih
lebaran. Di luar langit
lénglang, béntang bara-
nang, ras inget ka nu jadi
indung, enya meureun in-
dung téh gering, sabab ti
saprak ninggalkeun lembur
can pernah méré béja, da
puguh hirup aya di leu-
weung geledegan, teu aya
patali marga, teu aya jang
tunda talatah.***
Sei Tabir - Rantau Pan-
jang, Jambi Th. 1979
27.
CCarita Heubeul
V. GOGODA
K
acaritakeun
dinahiji
peuting,
kabeneran
poék mong-
kléng buta-
rajin, langit angkeub, teu aya
béntang hiji-hiji acan nu
katémbong. Hawa karasana
munggah nyongkab, lantaran
pihujaneun tacan ragrag.
Kilatna pating burinyay, di-
sambung ku sora guludug
ngage leder ti kajauhan. Di
jalan jeung di lembur-lembur
éstu sepi jempling matak
keueung, geus teu aya nu
ngulampreng-ngulampreng
acan, kolot-budak geus
arampih, sieuneun ku poék
jeung hujan anu rék ragrag.
Dipati Ukur harita di
bumina, kakara lugay tina
wiridan isa. Anjeunna téh bu
men-bumenna nyalira kénéh,
henteu acan rimbitan. Ari
sababna lain henteu aya putra
ménak anu palayeun dipigar-
wa. Puguh baé réa mah, ti
ditu ti dieu anu rék mulung
mantu ka anjeunna, malah
lain si itu si éta, tapi sakabéh-
na tedak karaton. Atuh ku
kitu téa mah, saha anu henteu
hayang mulung mantu, jeung
mojang mana anu henteu
kersa dipigarwa, ningal rupi
jeung dedeg pangadegna Di-
pati Ukur, anu sakitu kasépna
jeung raspatina. Katurug-
turug sakitu anom kénéh geus
ngagem kalungguhan adipati,
kumaha teu pada rék kabong-
roy. Pantes pisan lamun réa
mojang anu ngahélaran ka
pakuwonna susuganan satria
longger pancuhna. Tapi saka-
béh ogé nyamos, eupan kieu
eupan kitu weuteuh taya nu
disanggut. Samalah dina hiji
waktu mah, Dipati Ukur
kungsi dipariksa ku Sultan,
naon sababna anu matak
tacan milih pigarwaeun. Ari
walerna henteu panjang,
pajarkeun téh tacan dugi ka
waktosna, Padahal ari sae-
nyana mah, anjeunna téh
geus jangji ka salirana ku an-
jeun, upama kagungan garwa
téh hoyong ka putri tedak
Pajajaran, ngarah sadarah
jeung saturunan. Sanggeus
Dipati Ukur kaluar ti kamar
tempat netepan jeung semedi,
henteu ujug-ujug terus ka
pajuaran, gék calik heula di
patengahan, kersana badé
ngaos bari ngalenyepan
wawacan suluk, parimbon nu
medar lalakon Wali Sasanga.
Ari kalanggengan anjeunna,
saréngséna ngajalankeun
kawajiban sadidinten, teu aya
deui ngan ngotéktak jeung
nyungsi élmu kabatinan, di-
selang-selang ku ngulik
kabudayaan jeung kasenian.
Dipati Ukur nuju anteng
ngalenyepan wiridan Syeh
Siti Jenar, anu ngébréhkeun
salangsurupna sipat-sipat ka-
Allah-an. Ku anjeunna diaos
dibulak-balik, disungsi disu-
sul tepus. Keur anteng kitu,
kadangu di luar aya anu pu-
puntenan, sorana kasawur ku
séahna angin jeung hujan nu
rag-rag paparalakan. Barang
geus sidik, nyata aya nu pu-
puntenan, malah kadanguna
tetela sora awéwé, gancang
panto payunna ku anjeunna
dibuka. Barang bray katingali
aya awéwé, eukeur nangtung
di émpér payun, dikukudung
ku karémbong. Henteu acan
sidik ari saha-sahana mah, da
puguh ngan kacaangan sa-
eutik ku damar ti tengah
bumi. Gancang ku anjeunna
dipariksa, disaha-saha. Nu
dipariksa gasik ngawalon,
sorana rintih tur halon:
“Jisim abdi ti dinya ti
pakuwon Kadipatén Rong-
gonatan,’’ Barang kadangu
nyebut-nyebat kadipatén
Ronggonatan, enggal Dipati
Ukur ngarampeskeun:
“Sumangga atuh lebet,
ulah ngadeg di dinya, ieu
geuning hujan angin sakieu
ageungna, bilih kasawéran,”
henteu kungsi mindo
miwarangna, nu diram-
peskeun téh gancang asup ka
jero, leumpangna sasampoyo-
ngan, tanda hormat ka anu
kagungan bumi. Barang geus
aya di patengahan, gék calik
dina ambén anu geus di-
Manglé 247826
{ 1212 }
Ku Rohendy Sumardinata
Dipasieup deui ku Supis
28.
amparan ku permedani.Gan-
cang kukudungna dibuka; ari
bréh pameunteu hiji istri anu
pohara geulisna. Pameunteu
ngadaun seureuh, kulit
bolang kahieuman, kasinaran
sorot damar. Atuh komo baé
matak uruy nu ningali, matak
kabéngbat nu tapa, lamun ku-
rang-kurang pangerna
mah.
Dipati Ukur sakeda-
pan mah olohok baé, teu
lemek teu nyarék, raos
asa dina pangimpian.
Henteu sangka kabina-
bina lain wayah lain
mangsa, katatamuan ku
hiji istri anu sakitu
éndahna, geulis mo
manggih tandingna.
Gancang anjeunna istig-
par bari ngusap raray,
ras émut yén tatamu
anu dipayunan téh
Raden Ajeng Werda-
ningsih, garwana Kyai
Adipati Ronggonoto.
Sanggeus émutanana
kumpul kabéh, Dipati
Ukur rintih ngalahir:
“Sadkula gaduh raos
kahemengan, wengi-
wengi tur kaayaan anu
sakieu waluratna, ka-
sumpingan ku salira
Radén Ayu. Naon nya
pangersa, naha sumping
téh kersa ku anjeun,
atanapi ngémban tim-
balan jengraka?”
Dén Ajeng Werda-
ningsih, enggal
ngawaler, sowantenna
ngagalindeng bari di-
selang ku imut, matak
nambahan sarina:
“Hatur nuhun kana
pamariksa, sinarengan
kersa nampi. Badé eng-
gal baé miunjuk, naon margi-
na anu mawi sadkaula
tumorojog tanpa larapan,
malah ngahaja dongkap téh
wengi-wengi, supados ulah
aya nu terangeun.”
Sasauranana kendel sakedap,
ampuh tumungkul jiga anu
keur ngagalih, kumaha
terusna piunjuk. Tuluy
cengkat deui, rét ningali ka nu
mayunan, nyeh imut ngan-
dung pangemat. Pok deui
sasauran:
“Sadkaula dongkap téh
éstu karep pribados. Samalah
mios ti rorompok ogé éstu
rerencepan, ngantosan poék
heula, nya éta inggis bilih aya
anu nangenan. Gaduh mak-
sad hoyong ngadeuheusan
mah parantos lami, namung
nembé tiasa kalaksanakeun
ayeuna.”
Dipati Ukur ngadangu
kasauran Den Ajeng Werda-
ningsih kitu, manahna ratug
bawaning ku reuwas jeung
sieun nu geulis ngajak teu
puguh, ngagendam rék mawa
sasar. Ras anjeunna émut
kana kasauran sepuh: “nu
geulis jadi werejit, nu lenjang
jadi baruang, temahna
kasasar lampah”.
Rintih anjeunna ngalahir,
ulat henteu méré budi, anu
bakal jadi gogoda, mawa jalan
ka nu teu uni:
“Den Ayu, sumangga éng-
gal lisankeun, naon pikersa-
eun téh atuh anu mawi
rerencepan kitu, sadkula
sakalintang reuwasna, haté
raos gaduh dosa.”
“Kieu geura sumangga
dangukeun. Dupi ajengan
uninga atanapi ngaraos, yén
pun lanceuk Kang Mas Adi-
pati Ronggonoto pohara
ceuceubna ka salira?”
“Terang sareng karaos
pisan,” waler Dipati Ukur
ayem.
“Nuhun ari parantos
uninga mah,” saur Raden Ayu
Werda¬ningsih. “Tah ku
margi éta, pun lanceuk
teu liren-liren milari
rekadaya, supados
salira ajengan cilaka,
atanapi sakirang-
kirangna dibenduan ku
Kangjeng Sultan. Sering
anjeunna, minang-
saraya sareng ngupah
ka ditu ka dieu, nga-
gunakeun jalan kasar
jalan lembut, sangkan
hasil pamaksudanana.”
“Den Ayu, sadkaula
henteu ngartos, naon
margina anu mawi aje-
ngan dumugi ka nolas,
kersa ngabuka rasiah
anu jadi carogé. Cék
émutan, rasiah anu jadi
carogé, sasatna rasiah
salira ku anjeun kénéh,”
“Leres pisan salahir
panjenengan. Nanging
dina perkawis ieu mah,
narah kaula kababan-
tun. Kana tekad sareng
tingkah-laku pun
lanceuk anu sakitu
awonna, piraku kaula
kedah pipilueun.
Sanajan ku salaki,
anu kedah sapapait-
samamanis, narah ari
dibantun doraka mah,
ngajalankeun peta anu
sakitu nistana, hasud ka
papada kaula, nyatana
nya ka salira panjene-
ngan, anu henteu tuah
henteu dosa.”
“Naha atuh ku salira Den
Ayu henteu diémutan atanapi
diwagel?
” Dipati Ukur tumarosna
kitu téh jiga anu weléh henteu
ngartos, aya istri kelu
ngabolékérkeun rasiah nu
jadi carogé.
(lajengkeuneun)
27Manglé 2478
29.
Manglé 247828
Bagian
209
CCarita Nyambung
Peutingka-259
A
ladin ngu-
ngun. Bi-
ngung
lantaran kudu
sagancangna
papisah jeung
pamajikanana. Padahal,
sanggeus dirapalan saterusna
ngobrol kapapanjangan, bet
cocog jeung haté pamajikan-
ana téh. Ku lantaran kitu,
samar bisa hirup tingtrim
upama hirup teu dibarengan
ku pamajikanana mah.
“Ku naon kakang téh bet
kawas nu sedih?” ceuj
Jubaedah.
“Rek teu sedih kumaha,
da meureun kudu gancang
papisah,” ceuk Aladin.
Saterusna Jubaédah téh
nalék Aladin. Cenah, mun
bener-bener micinta dirina,
taya saurang ogé nu bisa mi-
sahkeun maranéhna. Kajaba,
cenah mun Aladin, mémang
boga karep ninggalkeun
manéhna.
“Ih, mun boga tekad pi-
pisahan mah moal ngarasa
sedih atuh!” ceuk Aladin.
“Nya ari kitu mah, sukur
atuh,” ceuk pamajikanana.
Jubaédah ngadeukeutan
salakina. Pok cacarita, intina
mah, mun enya Aladin masih
kénéh mitineung manéhna,
atuh kudu aya hojah. Carana,
gampang kari néangan alesan
nu pikahartikeun ku balaréa.
Da, ceuk Jubaédah, sagala
aturan téh aya tatapakanana.
Cindekna, mun pangulu
nitah Aladin nyerahkeun,
kari nanya, aturan mana nu
dipaké di éta nagri téh.
“Tanyakeun majhab
mana nu ngabenerkeun
kawin bada isa sarta kudu
diserahkeun bada subuh!”
ceuk Jubaédah mapatahan
salakina. Aladin kakara
ngarti, éta alesan téh bisa di-
tarima ku nu boga wewenang
mutuskeun. Tapi, dirina teu
yakin lantaran kaayaan dirina
héngkér kacida. Manéhna
mah, apan lain si itu si éta,
lain jalma sohor nu bisa meu-
nang kauntungan tina atur-
an.
Ngadéngé omongan
salakina nu cangcaya kana
tarekahna, Jubaédah ngarti.
Pok deui mapatahan salakina
sangkan paduna ka panghulu
ditarima sarta dibenerkeun
ku pangadilan. Satutas nyari-
ta kitu, song wéh mikeun duit
saratus dinar ka salakina.
Maksud Jubaédah, éta duit
téh keur panyogok ka patugas
nu mutuskeun perkarana.
Malah, kituna téh lain ka
saurang, tapi kudu ka
sababaraha urang kaasup
patugas séjénna. Geus ngarti
mah, Aladin téh berag.
Keur guntréng, kadéngé
aya nu ngetrokan panto.
Singhoréng téh patugas juru-
ngan pangulu nu ngangkir
Aladin sina datang ka panga-
dilan. Gancang Jubaédah
muka panto, sarta nitah asup
ka semah téa.
“Ayeuna waktuna nyerah-
keun pamajikan anjeun di
pangadilan,” ceuk asistén
pangulu.
Aladin nyampeurkeun.
Ngajak sasalaman ka semah
bari ngeupeulkeun duit lima
dinar kana leungeun pangulu
téa. Saterusna, nyarita ka
sémah, nanyakeun hukum
mazhab nu ngabenerkeun
maksa pipisahan nu embung
papisah.
“Mémang, taya mazhab
nu ngabenerkeun kana éta
aturan,” ceuk asisten pangulu
bari mésem. Sup manéhna
ngasupkeun duit kana saku
jubahna. Saterusna, ngajak
Aladin milu nuturkeun,
miang ka pangadilan. Jubaé-
dah gé nuturkeun, da hayang
puguh bulé-hideungna.
Anjog ka kapangadilan,
bapa Jubaedah gé nyampak.
Paromanna hegar, lantaran
bangbaluh nu salila ieu nyim-
butan pipikirnanan bakal
téréh réngsé. Inyana ngarasa
yakin yén kawin kontrak
anakna jeung Aladin bisa
pegat saharita di pangadilan.
Pangulu nu rék mutus-
keun geus sadia. Diuk dina
méja bari ngimeutan keretas
kawin kontrak Aladin ka
Juabédah. Mémang, kitu
eusina surat téh, Aladin kudu
nyerahkeun pamjikanana.
“Luyu jeung eusi kontrak,
andika kudu nyerahkeun pa-
majikanana,” pokna bari ngi-
sarahan sangkan aladin
30.
29Manglé 2478
nyampeurkeun manehna.
JungAladin cengkat.
Maju ka lebah pangulu. Kitu-
na téh bari nyolongkrong
ngajak sasalaman.
Gep leungeun patarema
jeung leungeun pangulu. Nya
dina kaayaan kitu, Aladin
ngeupeulkeun dinar nu
karasana nu narima téh
matak bungah. Sanggeus
mikeun duit, Aladin nanya-
keun mazhab nu ngabener-
keun pipisahan manehna ku
cara dipaksa kawas kitu. Nya,
tangtu wé, pangulu téh nga-
jawab sajalantrahna. Cenah,
taya hiji oge mazhab nu
ngabenrkeun kawin bada isa
terus kudu pepegatan peuting
éta kénéh bada subuh.
Ngadenge caritaan pa-
ngulu kitu, kolot Jubaédah
nembongkeun pasemon nu
kagét jeung teu panuju.
Ngan, teu bisa majar kuma-
ha, da kudu nurut kana putu-
san pangadilan.
“Lamun embung nyerah-
keun, kudu mayar maskawin
sapuluh rébu dinar.”
Aladin nyanggupan. Ceuk
pikirna, bisa ménta ka kolot-
na di Mesir. Ukur butuh duit
sakitu mah, moal kudu ngu-
yang ka batur da puguh kula-
wargana téh jalma jugala.
“Dangka waktuna tilu
poé,” ceuk kolot Jubaédah.
“Ulah tilu poe, sapuluh
poé ti ayeuna,” ceuk pangulu
méré lolongkrang.
Kolot Jubaédah nurut.
Ceuk pikirna, Aladin moal
sanggup mayar, da sidik éta
pamuda mah teu boga
nanaon. Hirup nunggelis taya
puntanganeun.
Ti pangadilan, Jubaédah
jeung Aladin balik deui ka
imahna. Guntréng ngobrol
neangan akal geusan
ngungkulan éta pasualan.
Waktu sapuluh poé, moal
cukup ngumpulkeun duit
sakitu gedéna. Najan kitu,
Aladin rék pasrah kuamaha
béhna.
Dina hiji peuting, ka imah
Jubaédah aya nu keketrok.
Harita téh, pribumi awéwé
mah saperti biasa nga-
haleuangkeun sair bari
dipirig ku siterna. Gigireun-
ana Aladin nu bagja taya
papadana, asa dipépénde ku
sora pamajikanana.
“Saha di luar,” ceuk
Jubaédah ngarérét ka salaki-
na. Nu dirérét surti, terus
ngojengkang kana panto.
Breh sémah opatan, nilik pa-
pakéanana mah kaum darwis
nu biasa ngalalana ka saban
tempat. Salasaurang ti se-
mah téa netelakeun jati diri-
na. Cenah, arinyana téh
kabeneran ngaliwat ka lebah
dinya, ngadéngé haleuang
sair. Kacida katajina, nu
saterusna hayang ngadé-
déngékeun sair-sair séjénna.
Horéng, sabenerna mah,
éta nu opatan téh rombongan
Holipah Harun Al-Rasyid nu
biasa ngalanglang lembur
méh saban peuting. Pangna
anjog ka dinya, mémang
hayang apal kana kaayaan di
éta imah. Malum, holipah
loba pagawéna kaasup nu
purah nalingakeun kaayaan
rahayat. Ngadéngé kawas aya
pasulan di éta imah, holipah
ngajak pangiringna tiluan,
Jafat, Abu Nawas, jeung Mas-
rur.
Sabada ngobrol ka ditu ka
dieu, Aladin balaka. Cenah,
dirina téh keur bingung lan-
taran nyanghareupan pasua-
lan nu teu gampang
diungkulanana. Nagdéngé
carita kitu, semah téh sadia
ngabantu lantaran loba balad
bisa ngumpulkeun duit keur
sumbangkeuneun ka Aladin.
Aladin nu teu apaleun ka
holipah. Atuh, percaya teu
eprcaya. Ngan, kakara aya nu
ngajangjian rék ngabantu gé
bungah kacida. ***
(Hanca)
31.
Manglé 2478
W
AYANG ngalalakonkeunka-
hirupan manusa. Enya, kahiru-
pan sapopoé. Hanas aya
bagian carita anu teu manjing di akal, éta
mah ukur pangjangkep reujeung papa-
és—kawas kasuktan-kasaktén, alam
kahiyangan, atawa sasatoan bisaeun
nyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deui
ajén-inajén anu dikandungna, éta téh
sagemblengna meunang ngaludang tina
kahirupan urang.
Ngan anéhna, naon
sababna bentuk wayang
teu persis niron poto-
ngan jalma? Sirahna
gedé teuing, teu ngimba-
ngan ukuran awakna.
Kitu deui leungeunna,
paranjang jeung laleutik
teuing. Keureutan beu-
ngeut na ogé, jajauheun
ti rupa urang. Aya anu
irungna gedé, aya anu
matana bolotot, aya anu
huntuna mudal ka luar,
jeung sajabana. Béda
jeung di batur, lalakon
anu sumberna tina
kahirupan manusa téh,
ana dipagelarkeun ku
bentuk bonéka, ilaharna
niron rupa jeung pro-
porsiawakjelema.Malah
aya anu ukuran gedé jeung jangkungna
badan gé disaruakeun jeung badan urang.
Rupa jeung bentuk bonéka anu dipaké di
batur mah teu némbongkeun ayana unsur
distorsi, sabab disarimbagkeun jeung
badaniah urang.
“Mun ditingal tina kasang tukang
lahirna wayang di urang, éta téh mémang
dihaja sina kitu,” cék Drs. H. Anang Per-
mana (80 taun), dalang kasepuhan ti
Ujungberung anu kasohor tapis nyieun
wayang.
Wayang jieunanana, aya anu dikoléksi
di Jepang, Singapura, Inggris, Walanda,
jeung Amérika. Ieu Ketua Jurusan Pada-
langan di SMKI manten téh kungsi dipen-
tés pinton wewesén dina kagiatan Expo
1970, di Osaka, Jepang.
Dina mangsa-mangsa munggaran
asupna Islam ka urang, kitu cék Anang,
wayang téh dipaké média pikeun
nyebarkeunana. Da’wahna para wali téh
apan dibungkus ku kasenian. Jigana mah
lantaran diluyukeun jeung kaayaan masa-
rakat jaman harita. Jadi, lain dimimitian
ku medar ayat atawa mesék hadis, jajau-
heun mun bari ngacung-ngacung
pakarang. Saréat Islam téh diaworkeun
jeung budaya anu dalit dina kahirupan
sapopoé. Éta waé geuning buktina, ajian
Prabu Darmakusumah alias Yudistira ogé,
kalimusada, apan jadi kalimah sahadat.
Najan sina awor jeung budaya anu
geus nyampak leuwih ti heula, tapi aya
babagian anu dibédakeun. Bisa jadi
meureun pikeun nandeskeun yén dina
garapan wayang téh aya muatan anu
sumberna tina ajaran Islam.
“Salah sawios di antawisna nya dina
ngadamelbentuknatéa,”cékAnang.“Dina
paélmuan ngadamel wayang mah disebat-
na didéformasikeun éta téh.”
Dina jaman para wali nyebarkeun
Islam, di urang, anu geus leuwih ti heula
wanoh kana ajaran Hindu atawa Budha
apan geus aya patung reujeung arca, anu
rupa reujeung bentukna ilahar nyonto ka
jelema. Mémang aya éta gé arca anu rada
méngpar, upamana Ganésha anu sirahna
gajah. Tapi da ari dina karéréanana mah,
sakumaha anu kapanggih di musieum
nasional, angger wé néplak postur jelema.
“Éta pangna bentuk wayang dibénten-
keun ti arca, anu tos dianggap jadi banda
luareun Islam. Bari jeung apan ari arca
atanapipatung mahsokdianggo sesemba-
han. Rupina, upami bentuk wayang niron
arca mah, inggis engkéna bilih disarem-
bah, ” pokna. Lian
ti éta, dina ajaran
Islam téh apan aya
papahaman yén
teu meunang
barangjieun anu
nyarupaan mahluk
Gusti.
Katerangan
Anang bieu pikeun
leuwih nandes-
keun alesan naon
pangna bentuk
wayang teu
dijelemakeun. Mé-
mang kitu ti
baheulana, ti keur
jaman wayang
kulit kénéh, anu
saterusna di Sunda
lahir wayang golék.
“Ari pikeun
Bapa mah, bentuk
wayang didéformasikeun téh saleresna
langkung seueur disawang tina sisi
éstétika. Upami wayang bentukna kawas
awak jalmi, bakal hésé dina nuju diigel-
keunana. Cobi waé, apan kélék wayang
mahlangab,teurapetkawasurang.Upami
teu sina langab, bakal kawatesanan dina
ngigelkeunana ogé,” cék Anang.
*
Pama disalusur asal-muasalna,
wayang golék anu ayeuna hirup di urang
téh apan bibitna mah ti Jawa, ngan di di-
eunadirobahkukarancagéparasemiman-
na. Mimitina asup heula ka Cirebon, terus
ka Priangan, balukar tina lancarna patali
marga, nyaéta ti saprak aya jalan raya pos
jieunan Daendels. Masih kénéh wayang
kulit harita mah, basana gé basa Jawa.
Naha ari urang Sunda baheula teu
Naon Sababna Rupa jeung Bentuk Wayang
teu Dijelemakeun
30
PPanineungan
Anang Permana, dalang jeung ahli nyieun wayang
32.
31Manglé 2478
bogaeun kasenianwayang kitu, tepi ka
kudu nguyang ti Jawa?
Saenyana, lamun urang ngungkaban
naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesi-
an (ditulis taun 1618 Maséhi), aya katera-
ngan kieu:
Hayang nyaho di sakwéh ning carita
ma:Damarjati,SanghyangBayu,Jayaséna,
Sédamana,PuJayakarma,Ramayana,Adi-
parwa, Korawa-sarma, Bimasorga, Rangga
Lawé, Boma, Sumana, Kala Purbaka,
Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma
méméntanya.Hayangnyahodipantunma:
Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi,
Haturwangi; prepantun tanya.
(Mun hayang nyaho sakabéh carita,
kayaning: Damarjati, Sanghyang Bayu,
Jayaséna, Sédamana, Pu Jayakarma,
Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bi-
masorga, Rangga Lawé, Boma, Sumana,
Kala Purbaka, Jarini, Tantri, nya sagala
rupa carita pék tanya dalang. Lamun
hayangnyahongeunaanpantun,kayaning:
Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi,
Haturwangi; pék tanya juru pantun.)
Jadi, cék éta naskah mah, urang Sunda
ogé geuning bogaeun carita wayang téh.
Ulah waka disebut wayang atuh, tapi
lalakon (teuing kumaha jenggélénganana)
anu jadi garapan dalang. Ngan hanjakalna
téh kiwari urang teu kawaris sésa-sésana.
Urang teu apal, kumaha ari carita Rama-
yana jaman Pajajaran téh, da lalakonna
geus teu kasusud. Terus deuih, naha éta
lalakon Ramayana jaman harita téh di-
pagelarkeunanamakémédiumbonékaanu
ku urang ayeuna ilahar disebut wayang?
Taya kateranganana. Minangka anu nyésa
téh, tur tepi ka urang ayeuna, nyaéta carita
pantun.
*
Urang balik deui kana pedaran wayang
golekanutepikaayeunahirupdinakaseni-
an Sunda, anu terus tatalépa kawariskeun
tepi ka ayeuna. Harita, aya ahli nyieun
wayang kulit, ngaran Ki Darman, bumén-
buménna di Cibiru, Bandung Wétan. Ari
asalna mah Ki Darman téh ti Cirebon.
Sanggeus pindah ka Cibiru gé masih kénéh
terus nyieunan wayang kulit, keur pakéeun
para dalang di Priangan. Nya ka kaémpér-
émpér ka Bupati Bandung anu katelah R.
Wiranatakusumah III (Dalem Karang-
anyar), anu saterusna méré pancén ka Ki
Darman pikeun nyoba-nyoba nyieun
wayang tina kai. Jieunan Ki Darman anu
mimiti, masih kénéh néplak pola wayang
kulit. Dalém Karanganyar kurang sugema,
terus ngasongkeun saran sangkan bentuk-
na dirobah deui. Nya ahirna ngajanggélék
waé wayang golék sakumaha anu kiwari
aya. Kecap golék téh cenah kirata, nyaéta
diugal-égol jeung diulak-olék—maksudna
mah diibingkeun. Enya, apan ari wayang
golék mah kaasup barang tilu diménsi,
bédajeungwayangkulitanunganukurdua
diménsi.
Nya ti harita di Sunda aya wayang golék
téh, najan ari basa anu dipaké dina
pintonanana mah angger ku basa Jawa.
Mimiti dirobah jadi basa Sunda téh dina
jaman Dalem Bintang alias R.A.A.
WiranatakusumahIV(1846-1874).Kituogé
anudirobahtéhukurdinangadadarlalakon,
da ari kakawénna mah masih angger ku
basa Jawa, tug tepi ka ayeuna ogé.
Anang (lahirna di Ciwidéy, turunan
dalang ti bapa anu katelah Entum Wira-
atmadja), mimiti guguru nyieun wayang
taun 1950-an, satamatna ti SGB, ka Udin
Suparta,urangCibiru.AriUdinSupartatéh
generasi katilu ti Ki Darman.
Dibandingkeun jeung tukang nyieun
wayang lianna, Anang aya punjulna. Ari
sababna, Anang mah dalang anu kungsi
kakoncara dina jamanna. Lian ti éta, hen-
teu ngan sawates jadi kréator seni wungkul
deuih, tapi mampuh ngarumuskeun
paélmuanana. Éta pangna ayeuna remen
jadi pananyaan dalang yunior gé.
Cék Anang, teu loba dalang anu bari
bisa nyieun wayang téh. Ari sababna mah
lantaran aya “tetekon”: dalang mah peu-
peujeuh ulah nyieunan wayang, bisi nga-
dalangna teu payu.
“Mémang leres, kitu. Dalang mah leres
ulah pirajeunan ngadamel wayang, upami
nuju manggung, hé-hé-héh ...,” pokna. “Ari
Bapa mah, manggung kantos sering, dina
jaman keur ngora mah. Atuh dina nga-
damel wayang, dugi ka ayeuna gé masih
kénéh dikeureuyeuh. Mung pédah ayeuna
mah dina ngukirna anu rada abot téh,
margi kondisi panon tos robih.”
Wayang golék téh dina rupa reujeung
hiasanana néplak kana wayang kulit mi-
nangka babonna. Tapi, dina sawatara
bagianmahayaanudirobah;upamanawaé
kilat bahu anu aya dina leungeun Gatot-
gaca. Dina wayang kulit, éta kilat bahu téh
dirupakeun oray, ari dina wayang golék
mah manuk galudra.
*
Nyieun wayang golék geus pasti kana
réa unak-anikna. Anu pangheulana, kudu
nyieun bentuk; ngawengku sirah, leung-
eun, jeung awak. Ti dinya terus diukir. Ari
ukiran dina wayang, pangpangna lebah
makuta, apan sakitu renyekna, dirungkal-
ringkel. Kasawang kumaha leukleukna,
nyodét-nyodétkeun tungtung péso raut
dina ukuran mimilian.
Terus nincak kana ngecét, anu sarua
deuih leukleukna. Kitu deui lebah gradasi
(béda-bédana)warna,saruadeuihlobaanu
dina ukuran miliméter—ukur saluhureun
buuk. Mun geus dicét, terus dirangki jadi
tangtungan wayang. Diceceban campurit,
dijieunna tina awi, tungtung handapna
diseukeutan, minangka paniir sirah jeung
awak (lamun keur diigelkeun, wayang téh
dicekel campuritna). Bagian leungeunna
ditiir ku bola kasur, ngarah bisa digerak-
keun. Tina tungtung dampal leungeunna,
disambung ku tuding (sarua deuih bahan-
na tina awi). Bérés éta, terus kudu dipasa-
ngan hiasan (asésoris) reujeung
sampingna.
Ku nilik prosésna kawas kitu, kaharti
lamunnyieunwayanggolék(anualus)mah
teu cukup ku sapoé. “Dina saminggu téh,
paling tiasa ogé ukur ngaréngsékeun hiji,”
cék Anang.
Anumatak,pantesmunharganamahal
gé. Wayang golék jieunan Anang, hijina
rata-rata harga sajuta rupia. Mun pesen
sakotak, anu eusina 117 wayang, nya kari
ngalikeun waé, kira-kira sabaraha
pipangajieunana. Jauh tangéh mun
dibandingkeun jeung harga wayang anu
sokdiasong-asongkaparaturis,anuharga-
na bisa Rp 15 rébuan.
Mun diukur ku bahanna ogé, harga
sakitu mah asa teu katulup aya buruhan
pikeunanunyieunna.Ayeuna,hargakaial-
basia ogé pan geus sabaraha. Tacan deuih
harga cét, terus bahan keur samping, reu-
jeung asésoris lianna. Sabaraha buruh keur
pangrajinna atuh?
Waktu Anang rék ka Osaka (taun
1970), harita harga wayang sakotakna téh
Rp 25 rébu. Tapi, jualeun di Jepang mah
sapuluh tikeleun ti éta. Ari sababna,
dijieunna ogé enya-enya apik; boh dina
ukir-ukiranana, boh dina ngecétna. Malah
sampingnaogémakébatiktulisnuhargana
mahal. Kitu deui minangka hiasanana téh
maké ditarétés ku permata sagala. Kiwari
éta wayang jieunan Anang téh dikoléksi di
Jepang.Ayeuna,bentukjeungrupawayang
téh aya anu disarimbagkeun jeung jelema.
Mimitina mah ukur tokoh emban jeung
Batara Guru anu dijieun kitu téh. Ka
dieunakeun mah tokoh-tokoh séjénna ogé
aya dirobah.
“Ari cék pamendak Bapa mah, bentuk
sareng rupi wayang téh tos waé sina kawas
asalna. Ulah dirobih dijalmikeun,” pokna
mungkas obrolan. ***
(Tatang Sumarsono, Staf
Khusus Bidang Budaya Rektor
Unpas)
33.
Manglé 247832
CCaritaNyambung
N
gan dateu
kalis ku sakitu
geuning.
Manéhna
mah angger
sok ngontak
kénéh kana hapé. Sok kalah bi-
ngung sorangan lamun kabene-
ran manéhna nga-SMS atawa
nelepon téh. Kuring ngarti,
najan haté leutik mah banget
teu mikeun, manéhna milik
batur. Enya, lain nu kuring deui,
najan can sagemblengna. Da
mun téa mah geus korédasna
pisan, mustahil atuh manéhna
maké pangangguran ngontak.
Lain ku éta-éta teuing
saenyana anu matak kuring
horéam ngalayanan téh. Para-
lun, lain teu hayang ngaragap
haté manéhna deuih. Nyaho
kuring gé, lamun manéhna
saenyana sarua nandangan lara
tunggara. Ku dua ku tilu malah.
Lebah dinyana teu ngabibisani.
Da sakalieun manéhna nelepon
gé apan sok dibarung ku ing-
hak-inghakan. Tapi apan haté
sorangan gé sakitu nalangsana.
Béh dituna, mun narima atawa
nampa SMS ti manéhna, asa
kalah beuki nyuat-nyuat deui.
Tug ka teu kaampeuhna saka-
peung mah rarasaan téh.
Sakapeung sok aya ingetan
mending neukteuk bari anggeus
sakalian. Tapi ka dituna ukur
semet sabil dina haté. Unggal-
unggal aya maksud ngaganti
kartu, unggal-unggal kuring
ngarasa teu wasa. Kalah SMS-
SMS ti manéhna anu sok laju
dibacaan deui. Kitu deui sakur
barang anu raket patalina jeung
manéhna. Poto-poto manéhna,
gantungan konci, topi, jeung
teuing naon deui. Sok rajeun
aya ingetan hayang miceun éta
kabéh barang. Tapi dina empro-
na mah kalah mindeng ditatap-
diusap. Asa beurat ka bina-bina
rék dipiceun téh. Sarua jeung
beuratna mopohokeun pirang-
pirang kalangkang basa keur
babarengan jeung manéhna,
anu dihualkeun ku éta kabéh
barang.
Enya, ku hayang mopoho-
keun manéhna téh. Tapi dina
emprona bet kalah beuki teleb
kainget-inget. Teu sirikna ung-
gal waktu angger karasa manéh-
na téh. Asa dédéngéeun kénéh
ku sorana.
Asa deudeuleueun kénéh
ku rupana.
Kuring gé ngarti, dina seuh-
seuhanana mah éta kabéh téh
mémang kanyataan anu moal
bisa disingkahan. Da ulah bon
sual telepon atawa barang-
barang nu laleutik. Dalah kabéh
tempat di sabudeureun gé
sasatna mah apan mangrupa
kasang basa kuring babarengan
jeung manéhna. Kabéh tempat
anu sok dicicingan, diliwatan,
dianjangan. Teu weléh kabéhan
ana ngahualkeun ingetan ka
manéhna.
Sakalieun ngaliwat ka ter-
minal ogé, saupama rék indit ka
kampus, sok laju ngarandeg
neuteup tukang batagor deu-
keut pos pulisi. Teu pira tukang
batagor. Tapi di dinya sok asa
némbongan deui ringkang ma-
néhna basa keur jajan ka si
emang éta. Kitu deui lebah asup
ka jero kampus. Malah réa
pisan di dieu mah kasangna téh.
Teu sirikna unggal jeungkal
tempat metot deui kana ka-
langkang kalarung. Di tempat
nu éta kungsi kumaha. Lebah
tempat nu itu kungsi kitu.
Deukeut tempat anu kungsi
anu. Teu, taya nu nepi ka poho
hiji ogé. Asa nyaréngcélak baé
dina ingetan téh.
Tapi anu pangpangna mah
lamun keur ngahuleng sorang-
an di taman. Bubuhan di dinya
kasang anu panglobana dipaké
mintonkeun lalampahan kuring
jeung manéhna téh. Sok tepi ka
kalepasanana sakapeung mah.
Anteb pisan rarasaan lamun
manéhna bakal datang téh.
Kitu nu harita kaalaman ku
kuring. Nepi ka datang waktuna
manéhna enya-enya réndéngan.
Titis-tulis panganténan jeung
nu séjén. Asana harita panung-
tungan manéhna ngontak kana
hapé téh. Hahampuraan heula
mimitina mah. Saterusna
kakara kabaca iberna. Tanggal
saanu, di tempat anu. Bingung,
teuing kudu kumaha malesan-
ana. Naha kudu ngawilujeng-
keun. Asa maenya. Ukur
ditelek-telek sajongjonan. Hen-
teu ari ngarasa tungkeb bumi
alam cara tiheula mah.
Bubuhan geus kabadé, malah
pasti, bakal kitu kajadianana.
Tapi teu wudu karasa aya nu
nyéak seseblakan. Ngan pédah
teu nepi ka lumpat ka tukang
jajamu, atawa ka si Kohir, ban-
dar di péngkolan handap. Ukur
ngahuleng ngaraga meneng baé.
Asa geus rada teteg harita mah
rarasaan téh.
Ras ka bapana anu keur di-
tahan. Tangtuna ogé diidinan
kaluar heula sapoé mah. Moal
teu kitu. Mana komo lamun
pibésaneunana milu turun ta-
ngan deui. Ngan duka tah lebah
hajatna mah. Naha direuah-
reuah atawa henteu. Ku nilik
kaayaanana, bisa jadi henteu.
Malah wartawan gé can tangtu
nyahoeun lamun jalma anu sok
diwartakeun ku maranéhna téh
ngawinkeun.
Teu tuluy dipikiran.
Saterusna mah léos ka kamar
mandi. Ukur ngurus sibeungeut
wungkul. Tuluy ganti baju. Ken-
cling baé indit ka kampus. Mak-
sud mah rék nyampeurkeun
barudak. Tapi kalah hayoh
ngaléok heula ka lebah taman.
Gék dina bangku anu tiheula
matuh sok dipaké diuk. Teu pati
réa jalma, bubuhan poé Saptu.
Ukur aya dua urang nu diuk
dina bangku hareupeun. Nu
keur bobogohan. Disidik-sidik
horéng adi tingkat. Ukur seuri.
***
Teu ngabibisani, kuring téh
lalaki. Cék batur mah meureun
asa teu pantes mulan-malén
kagegeringan. Ngadon nga-
gulanggaper kanyeri sorangan.
Tapi meureun nya kudu kieu
kuring mah ngabuktikeun
kalalakian téh. Bubuhan dising-
kahan teu bisa, nya mending
Layung Ngempur
di Kampus Bungur
Ku Lugiena De
2222
34.
33Manglé 2478
disanghareupan sakalian.Nu
matak mun saméméhna mah
ari pareng inget téh sok geuwat
disalénggorkeun kana mikiran
nu lain-lain, saterusna mah
tuluy dianteur sakarepna. Ku-
ring hayang nyaho, nepi ka
saenyana tungtungna lalampa-
han rarasaan sorangan téh.
Lebah mana wates-watesna.
Cék ingetan sorangan, mun ti-
heula hirup téh teu leuwih ti
kamistian, meureun ieu gé
mangrupa salah sahiji kamisti-
an anu kudu diliwatan.
Enya, leuwih milih kitu
tungtungna mah, najan dina
kabuktianana henteu babari.
Meneran keur kanceuhna,
sok tuluy ngahajakeun mapayan
deui raratan tiheula jeung
manéhna. Kitu wé mimin-
dengna mah, ngadon leuleum-
pangan sorangan. Leumpang
bari ngangkleung-ngangkleung
rarasaan sorangan. Ngang-
kleung-ngangkleung ingetan,
ngoréhan waktu nu geus
kalarung. Bari teu weléh aya nu
ombak banyuan, diayun-ayun
ku mangpirang kalangkang.
Lelenyapan, reureundahan. Lir
abrulan méga anu sok mayu-
ngan léngkah saparat jalan nu
diliwatan.
Ka mana ngajugjugna suku,
tara ieuh dikadalian. Diantep
sakarepna. Cék saré’atna da
ukur kukulibekan di sabudeu-
reun tempat anu heureut. Kom-
plék kampus, gang-gang
hareureut anu patétéép ku
wawangunan, jalan raya. Tapi
lalampahan anu disorang ku
haté mah asa lain deui. Asa keur
ngalalana, bari jeung teuing
muru ka mana.
Teu weléh kitu haté téh,
sapanjang “jarah” ka mang-
pirang patilasan. Di dinya loba
barang anu teu bisa diajak
nyarita. Tapi hakékatna
“maranéhna” galécok “cacarita”.
“Maranéhna” anu asa leuwih
raket jeung lelembutan, ti batan
mangpirang jirim anu tinggulin-
dang, anu katingali ku panon
sorangan.
Upamana beton pang-
diukan di lapangan téater ter-
buka. “Manéhna” tuluy
nyaritakeun deui pangala-
manana sabot didiukan ku
manéhna, basa kuring mung-
garan tepung jeung manéhna.
Nya di lebah dieu, gigireun
pisan anu ayeuna keur di-
diukan. Di dieu manéhna
kungsi diuk téh, bari
ngawangkong direumbeuy
heureuy. Kitu deui dapuran
waréng sisieunana. “Manéhna”
tuluy ngaguar deui lalakon basa
ramo-ramo léncop manéhna
metikan daun “manéhna”.
Enya, dapuran waréng anu ieu,
anu ayeuna keur dipetikan ku
leungeun sorangan, nyeta-nyeta
kalakuan manéhna tiheula.
Miang ti dinya, aya deui
bangku di gedung kasenian
Lembur Bitung. Nyaho pisan,
anu jajaran katilu ti tukang, béh
kénca, anu perenahna deukeut
jandéla. Di dinya ogé bangku
téh tuluy “nyarita”, yén salah
sahiji anu kungsi ngadiukan
“manéhna” téh nya manéhna.
Malah aya leuwihna cénah.
Harita basa manéhna diuk téh
keur sumedeng poék meredong.
Nu caang ukur panggung anu
dipaké pintonan. Salila lalajo
téh teu lésot bari pacepeng-
cepeng leungeun. Tug nepi ka
bubaranana.
Ti Lembur Bitung, jug ka
taman. Beuki réa deui di dieu
mah nu “cacarita” téh. Kabéh
diteuteup, dilelekan hiji-hiji.
Taya nu pangling. Bubuhan can
kaselang ku waktu lila.
Babalongan leutik angger
kitu kénéh. Caina angger saat.
Kétang salila sok ngalanto ka
dinya gé angger baé kitu.
Katingali aya nguyumbang
téh lamun saméméhna nga-
gebrét hujan badag. Patungnya
nya kitu deui. Di tengah balong
leutik téh aya patung budak
tiluan keur nanggeuy wadah.
Leungeunna geus pararotong.
Lebah palataran angger
deuih barala ku dangdaunan.
Bubuhan kahieuman ku cari-
ngin nu ngajungkiring. Unggal
diuk di handapeunana jeung
manéhna, dina bangku anu
ayeuna keur didiukan, sok ka-
purudulan ku dangdaunanana.
Nyarangsang dina buuk jeung
baju. Malah lamun nebak angin
mah pentilna sok laju marura-
gan, tingpeletak kana sirah.
Tapi tara ieuh ingkah. Ngadon
saleuseurian sabot war-wur
dangdaunan ti luhur téh. Asa nu
keur disawér baé.
Ka tebéh wétan deui sa-
eutik, aya balong deui. Nu ieu
mah tara nepi ka saat caina.
Bubuhan deukeut ka wahangan.
Ngan kitu geuning, tara kungsi
hérang caina téh. Mun teu héjo,
nya soklat. Tapi teuing ku ma-
tak pikabetaheun. Da sok ka
lebah dieu ngaradonna jalma
téh. Lalinduk laliuh. Unggal
pabeubeurang ka dinya, arang
taya nu ngadiukan bangkuna
téh. Sok eusi baé. Nya lebah
dieu harita manéhna wakca téh.
Dina bangku nu ieu pisan.
Manéhna diuk gigireun. Buukna
ririaban.
Ti lebah kampus ka béh
kalér, ngaliwatan panto ger-
bang, brasna téh ka jalan raya.
Ngalér deui saeutik aya jalan
gedé anu ngembat ka kulon.
Nya jalan gedé ieu anu remen
diliwatan ku kuring jeung
manéhna. Pondok saenyana
mah. Ukur dua ratus méteran
nepi ka méngkolna deui asup ka
gang téh. Tapi ingetan mah
wuwuh asa natrat panjang.
Tétéla kénéh manéhna keur
leumpang keupat. Kantongna
disoléndangkeun. Buukna anu
panjang dibuntutkudakeun.
Sakapeung sok tuluy nyim-
pang heula ka tukang sangu di
béh katuhu ngadon meuli
asakan. Kitu wé nu dibeulina
téh sabangsaning tumas-tumis.
Kalan-kalan mun keur aya duit
rada kandel meuli daging atawa
lauk. Si Tétéh tukang sanguna
teuing ku gérécéh amis budi.
Bisa ngagenahkeun nu meuli.
Padahal unggal ka dinya gé sok
remen kudu ngadagoan lila.
Ngantri. Bubuhan pinuh-pinuh
baé. Tuh geuning ti dieu gé
katingali si Tétéhna keur pak-
pik-pek ngaladangan. Lamun
kabeneran keur ngajejengkluk
ngadagoan, bari ngaladangan
téh si Tétéh sok rajeun uplek
ngawangkong jeung manéhna.
Tapi sigana moal ngarasa leu-
ngiteun lamun ayeuna lang-
gananana ngurangan hiji.
Ti jalan gedé, bras deui ka
jero gang anu hareureut.
Pungkal-péngkol, totorobosan.
Nepi ka brasna ka lebah
péngkolan deukeut tukang jait.
Bréh pantona anu pulas gan-
dola. Najan diteger-teger gé teu
wudu ngalenyap. Asa didudut
jajantung lalaunan.
Ukur panto. Tapi nya tina
panto anu éta saniskara
kalangkang manéhna tingkolé-
bat deui. Panto anu teu bina ti
lawang sakéténg ka hiji kota anu
geus burakrakan.
Ukur nyésakeun hurunan
wangunan rugrug katut sésa-
sésa sesemplékanana. Enya,
panto gandola anu éta. Panto
kosan manéhna tiheula. Anu di
jerona kungsi dikotrétkeun
mangpirang-pirang adegan tina
natratna lalakon.
(lajengkeuneun)
35.
G
eus nyaho isuk
tehaya acara
penting, aya
ulang taun
jurusan. Ku-
ring sabalad-balad jeung
mahasiswa lianna kudu
magelarkeun rupa-rupa
kasenian. Konsep acara
jeung kasenian nu rek di-
pagelarkeun mah geus beres
digarap, da digarap geus ti
dua bulan ka tukang, tinggal
prungna wae isukan. Ari
kuring masket pisan kana
sepak bola. Sok sanajan isuk
teh aya acara penting,
angger wae ku sepak bola
mah eleh, subuh-subuh aya
liga champion, teu diliwat,
parat dilalajoan nepi ka
beresna. Sok komo peuting
teh nu maen tim favorit ku-
ring, Chelsea.
Kuring mah salaku
pupuhu himpunan, teu pati
ngilu aub maen dina widang
kasenian. Tugas kuring ukur
ngawas jeung nyaluyuan
naon wae nu rek ditampil-
keun. Salian ti eta, kudu
nyiapkeun oge sambutan
tina sudut pandang maha-
siswa. Waktu aya gladiresik
peutingna oge, kuring mah
teu ngilu, bebeja mah ka
babaturan teh rek istirahat
nyiapkeun sambutan jang
isuk, padahal mah rek lalajo
bola.
Isuk-isuk, dihudangkeun
ku indung. Hese hudang
teh, sare jam sabelas, tuluy
hudang deui jam setangah
dua, jam opat sare deui, jam
genep kurang saeutik hu-
dang deui.
“Sep, hudang geura solat
subuh, lain rek aya acara
penting ayeuna teh?” ceuk
indung bari ngaguyah-
guyah.
Hese hudang teh asa
linglung jeung teu kuat ku
tunduh, tapi sanggeus
pangacian kumpul kakarek
ngorejat, gesat-gesut disalin,
teu mandi, keun bae moal
aya nu nyaho ieuh.
Indit ka kampus teh di-
anteurkeun ku supir bapa
kuring, eta oge kudu maksa
heula ka bapa kuring. Da
bapa kuring oge embungeun
kabeurangan indit ngantor,
tapi ningali kuring kurang
sare mah jeung melangeun
oge ari kudu naek motor
atawa mawa mobil sorang-
an mah, tungtungna ngele-
han.
Di jalan keneh sms ti
babaturan geus raeng
naranya keun posisi jeung
naskah keur sambutan geus
siap atawa encanna.
Nepi di kampus lang-
sung tuturubun ka luar tina
mobil, kerek oge sababarah
lengkah asa karasa aya nu
aneh jeung calana kuring,
ditingali horeng calana
logor, moal salah pahili
make jeung calana bahan
bapa kuring ieu mah.
“Mang, boga beubeur
teu?” kuring balik deui ka
jero mobil.
“Beubeur kanggo naon?”
ceuk supir bapa kuring teh,
“Emang mah teu ngangge
beubeur,” pokna deui bari
nuduhkeun cangkengna nu
memang teu make beubeur.
“Cing pangmeulikeun
heula ka luar sakeudeung
Mang,” cekeng teh.
“Moal aya nu muka atuh
tokona oge, Den, isuk keneh
pisan apan ieu teh,” pokna.
Uleng mikir sakedapan,
bingung kumaha peta. Pi-
raku onaman kudu ngin-
jeum calana supir mah, bari
sigana teh sarua gedena
jeung calana anu dipake ku
kuring ayeuna.
“Pangneangankeun tali
rapia wae atuh, aya meu-
reun diwarung-warung,”
cekeng teh. Si Emang teu
talangke, langsung ngabiur.
Teu lila geus datang deui.
Kuring tuluy asup kana
mobil, kop tali rapia dicokot,
tuluy dikeureut saeutik.
Geus kitu dibeulitkeun kana
calana, geus karasa moal
morosot deui mah, kuring
tuluy amitan. Si Emang
supir mah ukur olohok, teu
lemek teu nyarek, ngan
katembong siga nu nahan
pisieurieunana.
Waktu rek sambutan, se-
kertaris kuring ngahrewos:
“Eta acukna lebetkeun atuh,
meh rapih.”
Rek pisan diasupkeun,
inget beubeur nu ku kuring
dipake beubeur kajajaden
alias beubeur darurat tina
tali rapia.
Ngasupkeun baju teh
teu tulus, “Keun bae ah Lis,
mahasiswa ieuh,” cekeng
teh bari tuluy naek ka pang-
gung.***
Tali Rapia
Ku Acep Iwan Sidiq
Manglé 247834
36.
Mie Instan
M
ie instanteh goreng kana kaseha-
tan, komo lamun didahar unggal
poe. Tapi sok sanajan kitu, osok
kuring oge ngadahar, hususna lamun keur
kaayaan kadesek, hoream popolah jeung
euweuh pikeun polaheunana. Keur jaga-
jaga eta mah, nya kuring oge nyetok mie
instan sababaraha hiji. Sok sanajan jarang
ngadahar lantaran alasan kasehatan, kuring
jeung salaki boga karesep kana mie instan
teh, kuring mah resep mie goreng, ari salaki
mah resep mie kuah.
“Nyi, cing pangmasakeun mie, asa
hayang ngopi ieu teh,” ceuk salaki dina hiji
peuting, tunduh jeung keur nundutan oge,
kudu ngawayahnakeun wae ari dititah
salaki mah, da geus tugas jeung kawajiban
pamajikan. Lantaran geus aya stokna, ku-
ring teu kudu meuli ka warung, langsung
wae masak. Masak teh mie goreng heula nu
kuring, meh teu beukah ari mie goreng
mah, jadi daharna bisa bareng-bareng jeung
salaki. Beres masak tuluy wae ngageroan
salaki, can oge kuring mah ngahuap, salaki
tuluy protes.
“Nyi, naha ieu teh teu karasa nanaon,
siga nu can disamaraan bodas keneh kieu
ning kuahna oge?”
Barang ditingali teh bener wae kuahna
bodas keneh, euweuh hinyay-hinyay
minyak jeung kiruh-kiruh samara. Dicokot
deui wae mangkok salaki teh, tuluy ka
dapur deui. Tapi weleh samara nu salaki teh
teu kapanggih.
Lantaran euweuh deui stok mie da can
balanja, tungtungna samara mie kuah nu
salaki teh disamaraan manula wae ku ku-
ring, dikalduan jeung diuyah ku sorangan.
Pas diasaan rasana asa aneh, ah keun bae,
nu penting teu hambar teuing siga tadi
cekeng teh.
Barang diasaan ku salaki, bener wae
bangun nu teu ponyo dahar mie kuahna
teh.
“Nyi, ari ieu mie kuah merek naon?
Rasana asa aneh kieu.”
“Euh, mie kuah anyar merek Indodo,”
kuring ngajawab sakacaprukna, “Nyobaan
da tina gambarna mah siga nu ngeunah,
keun engke mah moal meuli deui mie kitu
atuh,” cekeng teh bari nahan piseurieun.
Salaki mah unggut-unggutan wae, bari
angger am deui-am deui.
Ngan pas kuring ngasaan mie goreng
hanca kuring, bet karasa pangset kacida.
Nyeh kuring seuri sorangan, meureun
samara mie kuah salaki teh kaasupkeun oge
kana mie goreng nu kuring. Tungtungna
sarua jeung salaki dahar mie
teh teu pati ponyo. Abong
salaki pamajikan, nasibna
teh babarengan wae.***
Iseu Maemunah
Jl. Ahmad Yani No. 14
Cimahi
Jadi Kades
I
eu mah pangalaman teh haneut keneh
pisan, kajadianana awal taun 2014.
Harita kuring diperedih sangkan daek
jadi kapala desa ku urang lembur. Kuring
pribadi lain teu daek, tapi da teu boga pa-
ngalaman jeung teu boga minat ari kudu
jadi lurah mah, asa mending jadi masrakat
biasa wae, tiis ceuli herang mata.
Beuki ka dieu beuki loba nu meredih
kuring sangkan daek nyalonkeun. Teu sa-
eutik oge nu song jeung modalna, tapi ku-
ring keukeuh mugen. Lain kukumaha,
pangpangna mah teu boga pangalaman
dina widang kapamarentahan. Enya oge sok
dipikolot ku urang lembur, tapi lain harti
kuring bakal mampuh jadi pupuhu desa.
Tapi lila kalilaan mah kuring leah oge,
babakuna mah sanggeus meunang idin ti
pamajikan. Abong sipat jalma, ari habe di-
papaksa jeung diakalan mah teu burung
beunang oge. Ngan kuring daek jadi lurah
teh menta dua tanjakan ka urang lembur nu
ngadukung kuring.
Kahiji kuring menta dibantuan ku saka-
beh urang lembur boh nu ngadukung boh
nu henteu lamun engke kapilih, babakuna
mah nya eta kuring teu boga pangalaman.
Ari tanjakan ka dua, kuring mah moal rek
ngaluarkeun modal najan sasen oge pikeun
pilihan ieu. Kitu oge nu ngadukung kuring,
ulah aya nu ngaluarkeun duit. Mun ceuk
bahasa legegna mah ulah aya “money
politic”.
Aya nu nyatujuan, tapi aya oge nu kalah
gideg. Jaman kiwari cenah teu make duit
mah moal jalan. Sok komo saingan kuring
teh cenah jalma pangbeungharna di eta
lembur, nu cenah ceuk nu ngadukung ku-
ring mah, manehna mah sanggup ngam-
plok ka unggal urang lembur 100 rebuan
wae mah keur ngalancarkeun obsesina
hayang jadi kades.
Dina waktu prungna pilihan, tuluy
hasilna diumumkeun. Sora tamplok kabeh
ka kuring. Loba pendukung kuring nu
ngarasa heran naha cenah pangna kuring
bisa meunang kalawan teu ngaluarkeun
duit sasen oge. Ari lawan kuring sakitu
bebeakan, sorana jauh tangah ka langit
jeung kuring. Keur kuring pribadi, pangala-
man jadi lurah tanpa modal jadi hiji
kareueus. Hiji amanah nu teu kakotoran ku
kapentingan naon wae, rido ihlas toh pati
jiwa raga pikeun karaharjaan lembur jadi
cecekelan kuring sabada kapilih. Waktu
samemehna kapilih oge kuring teu boga
beban nanaon, teu ngaluarkeun duit teh
sangkan kuring dina kapilihna henteu
piduit.***
Ahmad Askari Cihurip – Garut
Meuli HP
I
ndit jauh-jauh ti Ciamis ka Bandung,
boga duit sajuta hayang meunang
smartphone. Meuli di lembur mah
hargana mahal kacida, beda jeung mun
meuli di Bandung, harga marurah jeung
loba pilihan, rek merek naon wae oge
cenah.
Ti Kawali teh nyubuh kana motor,
ngarah teu macet di jalan. Dina angkeuhan
teh, beres ti pusat hape BEC di Bandung,
arek nyimpang ka babaturan nu aya di
Rancaekek.
Nepi di BEC kalah bingung, loba pisan
piliheun pisan. Arek merek ieu, aya merek
itu, aya merek anu. Tungtungna kalah bi-
ngung sorangan ari loba pisan piliheunana
mah.
“Janten bapa teh hoyong smartphone
merek naon?” ceuk petugas conter di BEC
teh.
“Hayangna nu kumplit aplikasina,
murah pulsa, jeung gancang internetna!”
“Gaduh anggaran sabaraha?”
“Sajuta, tapi hoyong nu kumplit, murah
pulsa, sareng gancang upami facebookkan.”
“Tah kaleresan, ieu aya smartphone ka-
hoyong bapa, nanging kartu sim-na tos di-
injek, janten teu tiasa gentos kartu sim.”
“Sabaraha pangaosna?”
“Muhun sajutaan.”
“Mirah pulsana?”
“Mirah pisan, margi cdma. Nanging nya
eta kelemahanana mah teu tiasa gentos
kartu sim, janten nomerna tos langsung di-
paparin.”
“Ah, eta wae janten atuh. Layar sen-
tuh?”
“Muhun layar sentuh, smarphone teu
layar sentuh mah teu usum jaman kiwari
mah.”
Beres ti BEC, nyimpang heula ka baba-
turan di Rancaekek sakalian pamer hape
smartphone anyar. Bener wae padah muji
da alus hape teh. Puguh wae da tangtu
harga mah tara ngabobodo. Ngan ceuk
babaturan teh kalemahanana sok euweuh
sinyal di wilayah tertentu mah CDMA-mah.
Balik ka imah pamer ka nu di lembur,
ngan aya nu aneh lantaran sinyalna euweuh
pisan. Ari barang ditanyakeun ka nu nyaho
di lembur, enya wae dan cenah di lembur
urang mah operator CDMA eta mah eu-
weuh jaringanana. Kudu ganti kartu sim
cenah ku nu aya di lembur. Kuring karek
inget yen hape eta mah diinjek, teu bisa
ganti kartu sim.***
Hendri Nugraha
Kawali - Ciamis
35Manglé 2478
37.
Hari Buruh
"Hari buruhnu dieling-
eling ping 1 Mei teh kiwari
mah jadi libur nasional!"
"Meujeuhna wae ari kitu-
na tea mah, apan rek
Anggota DPR, PNS,
Pangusaha, tukang macul,
kabeh oge sareatna mah
nya buruh nu keur bubu-
ruh ngala duit."
Acep Iwan Sidiq
Jl. Siliwangi No. 18
Kuningan
Teguh
Ama : "Nguseupna beu-
beunangan teu?"
Dodo : "Meunang atu!
tah, laukna dina korang."
Ama : "Meunang
sabaraha siki?"
Dodo : "Sok teguh ku
manéh, mun bisa neguh
eusi dina korang ieu aya
opat siki lauk, ku uing
dibikeun laukna kabéh
keur manéh."
Husien Irawan
Antapani No. 90
Jalan Tol
"Naha bet disebut jalan
tol?"
"Sabab jalanna nya gede
nya panjang, lamun
jalanna torowongan
wungkul mah beda deui
ngaran jalanna."
Acep Iwan Sidiq
Jl. Siliwangi No. 18
Kuningan
Gelut
Wa Haji : “Dék nanahaon
siah ka dieu?”
Ujang : “Dék ngalamar
anak Uwa.”
Wa Haji : “Naha bet
hayang?”
Ujang : “Da bogoh.”
Wa haji : “Naha bet
bogoh?”
Ujang : “Da anak Uwa
bageur.”
Wa Haji : “naha awak uwa
bet bageur?”
Ujang : “Wa! Mending
gelut wé yu?!”
Adilla Ratu Rai
Jl. Pecinan 112
Cicalengka
Jalan Layang
"Ari sugan teh enya wae
jalanna ngalayang, pek
ning angger wae eta be-
tonna napak kana
taneuh."
Acep Iwan Sidiq
Jl. Siliwangi No. 18
Kuningan
Kalong
Indung: "Mama, ieu sim
kuring teh nyerenkeun Si
Ujang, rek dibeureum rek
dihideung oge pek teh
teuing, nu penting mah
dipangdidikeun nepi ka
sing bisa ngaji jeung
weruh dina bag-bagan
agama jeung darigama,
ngan sabulan ieu mah rek
jadi kalong heula Si Ujang
teh."
Ajengan: "Jadi kalong?
atuh beak bungbuhan di
kebon Mama!"
Indung: "Eh ... maksad
teh jadi santri kalong
heula."
H. Basir Q. Jaelani
Cidaun
Ustad Televisi
Santri: "Budi santri legeg
lebe, ari kalakuan euwah-
euwah!"
"Saha tea eta teh?"
"Eta Ustad Televisi,
Mama!"
"His, ulah kitu ari taeun
teh."
H. Basir Q. Jaelani
Cidaun
Di Kedokteran
"Uing mah kuliah teh rek
di kedokteran wae ah,
meh teu misleuk. Asana
teh can ngadenge lulusan
kedokteran nu nganggur."
"Dih... aya siah ti kedok-
teran nu nganggur!"
"Wah? Saha jeung di-
mana?"
Manglé 247836
38.
"Eta tatangga dilembur
kuring di Garut, manehna
ti kedokteran hewan."
"Enya ari cicing di kam-
pung mah, boboraah
ngubaran sato, awak so-
rangan oge di kampung
mah can parah mah tara
diubaran."
Rizki M. Romdon
Cikoneng - Soreang
Kab. Bandung
Ngagadekeun Ijazah
"Rek kamana Sobar, gaya
kitu ning setelanana?"
"Uing teh rek ka bank!"
"Anyir, gaya. Gawe di
bank ayeuna mah?"
"Lain, rek ngagadekeun
ijazah sarjana keur
pimodaleun."
"Beu ... Sarjana jaman ki-
wari!"
Rizki M. Romdon
Cikoneng - Soreang
Kab. Bandung
Nu Mabok I
Nu mabok nyetir mobil
meni ngebut, bakat ku
tarik eta mobil nabrak
warung di sisi jalan, un-
tung we nu boga warung
keur di luar.
"Teu neuleu atuh ari
mawa mobil teh!"nu boga
warung ambek.
"Keun bae atuh euy,garasi
garasi aing, naon urusan-
ana jeung maneh?"
Nu boga warung olohok.
Herman Syuryaman
Cihampelas No. 90
Baso
+ Loba kénéh baso téh,
mang?”
- Loba kénéh, rék meuli
baso, bade mesen baraha
mangkok?
+ Ah henteu mang, sing
sabar wé nya, kitu geun-
ing romantika tukang da-
gang mah.
Rita Dahliawati
Jl. Cibabat No. 14 Cimahi
Wani-wani
Dodo : “Kumawani ulin
ka dieu siah! Saha
manéh?”
Ibro : “Tah éta masalahna
téh, abdi nyalira teu apal
saha ari abdi!”
Adilla Ratu Rai
Jl. Pecinan 112
Cicalengka
Obrolan
ibro : urang mah teu
narapsu dahar peuting
téh euy
udin : ku naon bisa kitu?
ibro : da eweuh deu-
ngeunna atuh!!!
Husien Irawan
Antapani No. 90
Apel
Nyai : "A, engké wengi
janten ka bumi?"
Ujang : "Aduh hampura
nyai, sigana mah moal
janten."
Nyai : "Naha kunaon, a?"
Ujang : "Tuh tingal!
Sendal Aa-na gé pegat!"
Rita Dahliawati
Jl. Cibabat No. 14 Cimahi
Saliwang
Udin : Sabaraha domba
anu ieu?
T. domba : Jalu!
Udin : Gélooo! mahal
ning.
Nani Afriliany
Jl. Merkurius 12
Margahayu
Meuli wé
Nyai : "Kaaaaang itu
tempo si Sujang nginum
racuuunn!!"
Salaki : "Meuli we hayang
mah Sarnyi, ulah nyoro
nu budak, ulah jojorowo-
kan, era ku batur!"
Nani Afriliany
Jl. Merkurius 12
Margahayu
Nu Mabok II
Jack : Cik lur, ari itu
panon poe atawa bulan?
Daniel : Panon poe.
Jack : Ari maneh, sidik
eta mah bulan, tempo
atuh meni leutik kitu!
Daniel : Ceuk aing panon
poe!
Jack : Bulan!
Lar bapa-bapa ngaliwat...
Daniel : Pa, Pa, punten
bade tumaros, dupi itu nu
di luhur panon poe
atanapi bulan?
Bapa-bapa : Duka atuh
Jang, Bapa ge nembe
ngalih ka dieu da..
Herman Syuryaman
Cihampelas No. 90
Ahli Dikir
Ajengan: "Jono, ditingali-
tingali teh maneh mah
beda jeung santri sejen,
eta tasbe dikangkalung-
keun bari asa teu katingali
dipake."
Santri: "Numawi Mama,
ieu teh supados disebat
ahli dikir ari dikongko-
rongkeun kieu mah."
H. Basir Q. Jaelani
Cidaun
Mun Gering
"Mun dokter gering
ubarna ku saha?"
"Nya ku dokter deui
atuh!"
"Apan dokterna oge ge-
ring."
"Ku dukun atuh?"
"Ngaco, patukang-tong-
gong atuh eta mah."
"Nya enggeus naon atuh?"
"Nya sarua atuh dokter
gering oge, ubarna mah
ku obat."
"Gehel siah!"
Rizki M. Romdon
Cikoneng - Soreang
Kab. Bandung
Lipen Hideung
"Ayeuna keur populer
lipen nu warnana hi-
deung. Basa menta duit
ka indung pikeun meuli
lipstik hideung, kalah di-
sengor 'biwir hayang
hideung mah tuh kuruhak
di hawu' cenah."
Iseu Maemunah
Jl. Ahmad Yani No. 14
Cimahi
Rok
Neng Misna: "Mamah-
mamah, naha geuning Si
Aa mah resep rok? sanes
rok mah anggoan kanggo
istri?"
Indung: "Rok nu
dipikaresep ku Si Aa mah
sanes rok anggoan, tapi
rock musik, jenis
lalaguan."
Neng Misna: "Ah, Eneng
oge resep rock lagu atuh."
Iseu Maemunah
Jl. Ahmad Yani No. 14
Cimahi
Sabalikna
Teteh: "Awewe mah rek
make baju nanaon oge teu
weleh mantes, kaasup
make papakean lalaki."
Aa: "Lalaki oge pantes rek
model rambut panjang
atawa pondok oge, sejen
jeung awewe nu pasti
moal pantes mun sirahna
botak."
Teteh: "Hiji sama!"
Iseu Maemunah
Jl. Ahmad Yani No. 14
Cimahi
37Manglé 2478
39.
SSajak
38 Manglé 2478
IndaNugraha Hidayat
Tepang Wengi
Wengi tadi, Kaulanun
waktos ieu jisim humaroshos
ngaharéwos ka Salira dina jemplingna peteng,
aya isin paeunteung-eunteung jeung reueus.
Isin tos kumawantun sumolondo
bari rébo ngajingjing mangpirang katuna.
Ari reueus téa mah tangtos atuh, Kaulanun,
ieu jisim dipaparin kénéh rohang waktos kanggo
nepangan Salira,
sanaos rumaos remen teu sapagodos sareng pa-
pagon Salira.
Wengi tadi, Kaulanun
tos pok deui baé ieu jisim ngagalindengkeun
paménta,
bari keukeuh teu daék meta.
Euweuh kaéra, panginten saur Salira téh,
jangji-jangi ukur jadi papaés biwir
nu haben dibalur jalir.
Wengi engké, Kaulanun
boa mun tiasa ieu jisim nepangan deui.
Samagaha
Samagaha, Kaulanun.
Ieu jisim katambias
Ngatog dina mongkléngna peteng.
Gupay-gapay.
Mapay cahaya Salira.
Ukur belis jeung barayana nu rajeg sapanjang jalan.
Ragég nanawarkeun ééndah peuting
nu ririaban dina saban seuseukeut rindat.
Merebot nu awong-awongan ti suhunan masigit,
kasilep ku haréwos halon biwir alkohol
nu ambucuy baseuh.
Hibar salira, Kaulanun,
duka nyumput di mana.
Ukur gupay panghiap
nu pating gurilap tina awak-awak bulucun
nu andekak dina kongkolak.
Ieu soca, Kaulanun,
beueus ku kakeueung.
Lamur.
Teu awas maca lemah tincakeun.
Balungbang
Balungbang, Kaulanun
beunang ngahaja ngali di sarakan asih nu lami keri,
kiwari geus ngemplang ku
cikahuripan : kahéman Anjeun nu canémbrang.
Kumalangkang.
Ringkang raga
Basa lumampah sapanjang katiga rasa.
Basa tresna katideresa mangpirang pangrobéda.
Basa ieu jisim ngidekliheran sakadang belis.
Basa ririwa mulan-malén bumetah na kongkolak
otak.
Basa amarah nyangkalak kanyaah.
Basa ceuceub miceun lambaran deudeuh.
Basa kaéra geus teu jadi kelir pikir.
Balungbang nu ngemplang canémbrang, Kaulanun,
geus nganti ieu jisim pikeun
teuleum dina tingtrim pikir.
Malidkeun kerak-kerak daki
sésa katiga entak-entakan.
40.
DDongéngAkiGuru
C
inta boga kakuatannu
kacida gedena. Ku
rohaka-rohakana
kakuatan cinta, gunung bisa
dile bur, leuweung bisa
dibukbak, najan paménta
nyieun hiji talaga, moal bu-
rung ditedunan pikeun cinta
mah. Cinta oge teu kahala-
ngan ku anggang. Najan laut
jeung pulo misahkeun, teu
burungjauhdijugjuganggang
diteang.
Baheula, baheulana oge
beh ditueun deui baheula.
Aya dua rumaja nu keur ka-
sinugrahancintamunggaran,
demijajakanakatelahKiSan-
tangariwanojananelahDewi
Rengganis. Ngan, abong co-
cobajeungdodojasokdatang
tanpa beja. Ngabongohan
jeung ngincer unggal jalma.
Ki Santang jeung Dewi
Rengganis meunang cocoba
kudu papisah, duanana teu
apal laratan pasanganana.
Ngan sanajan geus kahalang
ku anggang ka pisah ku jarak,
hatena teu weleh cumantel,
pikiranana teu weleh ngan-
teng ka buah hatena.
Ku lantaran kuatna tatali
asih maranehna, antukna
duanana silih teangan. Dua-
nana ngaprak lembur seja
nyusur tapak nu dipicintan-
ana, nepi ka antukna
ditepungkeun di leuweung
kalawan disaksian ku batu
gedeanunelahnepikakiwari
batu cinta.
"Jungjunan buah ati di
pawenangan, nyanggakeun
raga katineung anu ngancik
dina asmara. Jisim abdi teh
parantos apruk-aprukan ma-
luruh laratan salira, nanging
ihlas, rido, dugi ka ayeuna
urang tiasa patepang diba-
runghatekebekkabagjaan..."
kitu saur Dewi Rengganis.
"Deudeuh teuing, geulis.
Akang oge apan salami ieu
teh lumampah tanpa tujuan,
estuning nuturkeun indung
suku teh sanes bobohongan.
Demi anu diseja, taya deui
iwaltipatepangsarengsalira.
Kiwari akang kacida bungah-
na, bungah kagiri-giri wireh
urang patepung di ieu tem-
pat..." waler Ki Santang.
DewiRengganissarengKi
Santang silih cacapkeun ka-
sono di luhur batu gede, batu
cinta. Salajengna Ki Santang
ngedalkeun pamaksudanana
pikeun nyandingkeun Dewi
Rengganis. Tangtos bae Dewi
Rengganis henteu nampik,
sasat tos jadi cita-citana ti ka-
pungkur. Kilang kitu, Dewi
RengganisayapanuhunkaKi
Santang.
Manawi teu kaabotan,
jisim abdi teh gaduh ka-
hoyong..."
"Mangga, geulis. Hoyong
naon bae, moal burung dita-
rekahan, pikeun ngabukti-
keun cinta akang ka salira..."
"Duh... jungjunan buah
hate, jisim abdi teh hoyong
dipangdamelkeunsitusareng
parahuna,kanggourangdua-
an lalayaran..."
"Situ?"
"Sumuhun, jungjunan..."
"Sumangga, ku akang di-
pangdamelkeun..."
Kocap Ki Santang anu
katelah mibanda kasaktian,
langsung ngetrukeun sakur
pangabisana.KiSantangnen-
jrag lelemah dibarung ku
kakuatan anu rohaka. Bumi
inggeung, sarta cai nyusu
ngaburial.
Cai nyusu ngeueum eta
patempatan tug dugi ka jadi
situ. Teu hilap, Ki Santang
ogengadamelparahu,kanggo
lalayaran.
Sabada Ki Santang tiasa
nohonan pamundut Dewi
Rengganis, tangtos bae Dewi
Rengganis oge henteu sulaya
kana jangjina. Ki Santang
sareng Dewi Rengganis
maheutkeun jangji, meung-
keut cinta nu suci tur abadi,
duanana tuluy rangkep
ngahiji jadi salaki pamajikan
nepi ka paketrok iteuk.***
(W.E. Indriawati)
Sasakala
Situ Patenggang
39Manglé 2478
Internet
41.
Manglé 247840
GGuguritan
Wahyudi Sofyan
DiDinya Lebah Péngkolan
Di péngkolan kungsi tepung deui
bari silih anjangkeun teuteupan
teuteupna maskét na haté
sumulusup na kalbu
nerus lebah dasaring batin
tibelat ku sorotna
bet ratug jajantung
teuteup cara nu baheula
seukeut pisan nyayangna ka haté kuring
kétang boa ka saha.
Di péngkolan naha tepung deui
dina rasa nu ngan sarénjagan
geuning haté ngaléngléong
kantun kalbu lalanjung
kitu salah kieu gé lain
nu puguh samar polah
dirungruman bingung
teu wasa silih tumanya
riwan ati kaseuit kageuri deui
rarémpan wuwuh lewang.
Di péngkolan pareng tepung deui
dina imut nu ngan sabéngbatan
haté liwung samar palér
boa mo lipur-lipur
kapiéling beurang jeung peuting
bongan kungsi midangdam
migandrung midangdung
kantun umambon sorangan
mung temahna guntreng baé jero ati
badan nya katempuhan.
Isola, 15 Mei 2014
Manglé 247842
GGedong Saté
W
akilGubernur Jawa Barat
Deddy Mizwar netelakeun
salah sahiji kakuatan anu
nyata tina seni budaya Jawa Barat téh
nyaeta karagaman (diversity). Seni jeung
Budaya nguatan jeung jadi sumber
kakuatan dina ngawangun jeung
ngawujudkeun kamekaran identitas
Jawa Barat.
Hal ieu ditegeskeun ku Deddy dina
pembukaan Roadshow Pesta Rakyat dina
raraga HUT Provinsi Jawa Barat Ka-69
jeung Pasanggiri Seni Tari, Musik, dan
Teater Thn 2014, di Kantor Badan Koor-
dinasi Pemerintahan dan Pembangunan
Wilayah IV - Kabupaten Garut.
Nurutkeun Wagub, dikuatanana
identitas diri mutlak diperelukeun
jeung salah sahijina diwujudkeun
ngaliwatan promosi ragam seni jeung
budaya anu aya.
"Ngagali kreatifitas tina ajen inajen
seni budaya anu tos aya, ku cara inovasi
supados tiasa kolaborasi sareng ajen-
ajen modern tiasa dijantenkeun hiji wa-
ngun identitas enggal tanpa ngahapus
ajen inajen tradisi nu tos aya," ceuk
Deddy.
Wagub nandeskeun wangun tradisi
anu inovatif nyaeta ku ayana kolaborasi
ajen-ajen seni budaya anu aya sangkan
bisa ngalahirkeun kreatifitas.
"Ku ayana festival atanapi kompetisi
tangtosnaogekreatifitasbakalterusdigali
dikalangan para seniman," pokna deui.
Ayana kreatifitas jeung kompetisi téh
bisa mere pangarti, mikawanoh,
nganyahokeunjeungngaajenankanaseni
budaya Jawa Barat sarta ngamumule
kabeungharan, karagaman potensi seni
budaya nu aya di wilayah Jawa Barat.
Roadshow Pesta Rakyat De Syukron
ieu dimangpaatkeun minangka ajang
sosialisasi digelarna PON XIX 2016 di
Jawa Barat, Mang Surili jeung Kujang
minangka maskot sarta logo PON Jabar.
Acara ieu dihadiran ku Bupati Garut
Rudy Gunawan, Wakil Bupati Garut
Helmi Budiman, Kepala BKPP IV
Provinsi Jawa Barat Kusmayadi, Kepala
Dinas Pariwisata dan Kebudayaan
Provinsi Jawa Barat Nunung Sobari,
Kepala Biro Humas, Protokol dan
Umum Setda Jabar Ruddy Ganda-
kusumah, Sesepuh Kabupaten Garut
sarta Para inohong seniman jeung
budayawan Jawa Barat.*** (AS)
P
ersatuan Seniman Komedi Indo-
nesia (PASKI) ngagelar Munas
(musyawarah nasional) ka-3 di
Gedung Sate Bandung. Acara anu dibuka
ku Wagub Jabar Deddy Mizwar téh di-
hadiran ku para komedian sohor di
Indonesia. Dina kasempetan ieu, haji
Nurul Qomar pelawak senior minangka
panasehat PASKI miharep sangkan
PASKI kudu bisa marajian grup lawak -
grup lawak munggaran di Indonesia.
“Sapertos jaman kajayaan grup
lawak di taun 90an, sim kuring miharep
PASKIi tiasa ngarojong lahirna grup
lawak enggal di tanah air. Urang
hudangkeun deui kajayaan grup lawak di
Indonesia, sadayana kedah aya tarekah
kanggo ngalahirkeun pelawak-pelawak
cerdas sareng gaduh kualitas” pokna.
Komar mairan kana ayana audisi
lawak anu sok midang di televisi swasta
nasional anu sakuduna bisa dijadikeun
kasempetan pikeun seleksi calon
pelawak anu boga potensi jeung kualitas.
“Sim kuring miharep supados audisi
nu aya dina tipi sanes saukur hiburang
wungkul, tapia kedah tiasa janten wadah
kanggo ngalahirkeun pelawak anu kuali-
tas boh sacara grup atanapi individu.
Kriteria tina penjurianana kedah jelas
sareng ketat” pokna deui.
Dina acara ieu hadir oge para
pelawak senior saperti Dedi ‘Miing’
Gumelar, Didin, Eman, Deri, Komeng,
jeung para seniman komedi asal Jawa
Barat.*** (AS)
KreatifitasSeniBudaya
JatiDiriJawaBarat
MunasKomediandiGedungSateBandung
H. Deddy Mizwar: kretifitas seni budaya téh ciciren jati diri Jawa Barat
H. Nurul Qomar, Panasehat PASKI
44.
43Manglé 2478
D
emokrasi dipastikeunminangka
pamarentahan nu dijalankeun ti
rayat, ku rayat, jeung pikeun
rayat. Sedengkeun Oligarki, pamarenta-
han nu dijalankeun ku jalma atawa
kolompok nu kawatesanan/saeutik.
Robert Michael, nandeskeun naon di-
sebut hukum besi oligarki. Dumasar
kana eta hukum , dina mangsa urang
milih demokrasi sajatina dina sajeroning
eta ge urang loyogna bakal kana oligarki.
Kusabab kitu, taya hiji oge nagara
bangsa nu mampuh ngajalankeun sis-
tem pamarentahan demokrasi bari jeung
ngalibetkeun rayat dina unggal waktu.
Sabab dina pamustunganana sabada
gagasan demokrasi dijalankeun sacara
periodik ngaliwatan mekanisme pemili-
han umum nu bebas jeung jurdil unggal
opat atawa lima taun sakali saterusna
pamarentahan bakal dijalankeun ku
sababaraha urang jalma ti partey-partey
politik pinunjul pemilu.
Dumasar kana logika eta, kitu deui
sajatina nu kaalaman Indonesia pasca
runtagna rezim orde baru Soeharto,
urang teh jiga we nu geus ngajalankeun
demokrasi padahal sajatina urang geus
katalikung kana ulekan oligarki dina
lumangsungna pamarentahan pasca
rengsena pemilu legislatif. Ilik we
indikasina, kiwari jalma sasatna keur
patingkuciwes madungdengkeun saha-
sahana nu bakal jadi presiden jeung
wakil presiden.
Rayat nu (cenah mah) nyekel
kedaulatan/kakawasaan nu sabenerna,
buktina mah ngan saukur aya “disalua-
reun” demokrasi. Ngan ukur sababaraha
elit politik nu ngangtukeun bisa maju
henteuna hiji jalma dina kontestasi
pemilu presiden nu baris digelar 9 Juli
2014. Rayat mah ke we dilibetkeunana
dina mangsa derna pilpres.
Mungguh nya kitu, urang mayeng
ngalaksanakeun pemilu presiden bari
teu jeung meunang “output” jeung “out-
come” pamarentahan nu efektif
ngagerakkeun jeung ngahadirkeun
kemaslahatan publik di satengahing
parobahan global nu kacida gancangna
nu diwarnaan ku persaingan antar naga-
ra bangsa dina marebutkeun jeung nga-
mangfaatkeun sumberdaya nu aya.
Jajauheun ngahadirkeun kaadilan, ka-
mamuran, jeung karaharjaan, geuning
rezim-rezim nu marentah Indonesia
pasca orde baru nyatana mah tacan
mampuh ngabeberes bangsa sangkan
ngamilik daya saing nu leuwih unggul
batan bangsa-bangsa lianna.
Angka kamiskinan ngajaul keneh,
nu beunghar beuki beunghar nu
sangsara tambah katalangsara, pangang-
guran naek turun sacara fluktuatif, rata-
rata lilana sakola angger kurang leuwih
7-8 taun hartina teu tamat SMP, kamaju-
an desa jeung kota teu imbang, loba
keneh potret rumeuk nu ngisaratkeun
rendahna dayasaing bangsa urang
dibanding jeung bangsa-bangsa lianna.
Kukituna, loba pihak natanyakeun naha
palaksanaan demokrasi jeung
demokratisasi teh bener atawa geus
kaluar tina rel.
Katitenna, urang kudu ngalelempeng
arah jalan demokrasi tina ulekan oli-
garki. Rayat, geus sakuduna diilukeun
dina kahirupan politik sapopoena (day to
day politik) utamana dina tiap proses
“pengambilan keputusan pemerintah”
pakait jeung “hajat hidup orang banyak”.
Prosedur jeung akses demokrasi kudu
dibuka salega-legana, pamarentahan
sapopoena kudu leuwih adaptif kana
kabutuh rayat.
Kamajuan pikeun jalma rea
sakuduna jadi tujuan kolektif nu satekah
polah kudu diwujudkeun babarengan ku
urang sarerea. Saluran-saluran demok-
rasi teu cukup ngan ukur make badan-
badan perwakilan nu sifatna politik
jeung kewilayahan, saperti DPR/D jeung
DPD. Tapi oge, kudu aya “keterwakilan
fungsional” dina “pengambilan keputu-
san bersama”.
Mangsa kiwari, katitenna demokrasi
di urang nekenkeun teuing kana aspek-
aspek prosedural nu leuwih rigid jeung
hapa niley dina “penyelenggaraan uru-
san bersama”. Pendidikan, Kasehatan,
jeung ketersediaan infrastruktur fisik nu
hade mangrupa tilu unsur nu sakuduna
jadi prioritas pamarentahan pasca
pemilu.
Kasinambungan hiji pamarentahan
jeung pamarentahan lianna kudu dijaga
dihade-hade sangkan teu “cacag
nangkaeun”, tiap rezim nyieun kebija-
kan, program, jeung kagiatanana teu
“laju/sinambung” jeung parsial sifatna.
Kusabab kitu pamarentahan ge jadi teu
efektif, teu karasa mangfaatna ku rayat.
Pengambilan keputusan nu elitis
jeung teu ngalibetkeun sakabeh publik,
hakekatna mangrupa praktik oligarki.
Lamun dina mangsa rezim orde baru
Soeharto urang diparentah oligarki Soe-
harto, ABRI, Birokrasi sipil, jeung
sabagean leutik kolompok pangusaha.
Pasca reformasi, ukur unsur ABRI jeung
Soeharto nu tilem tina pusat-pusat
kakawasaan.
Sedengkeun Birokrasi sipil tetep jadi
instrument dominan dina ngajalankeun
pamarentahan jeung partai-partai politik
dikawasa kolompok pengusaha atawa
pemodal lokal jeung global, boh ku cara
terang-terangan atawa susulumputan.
Birokrasi ge sacara teu langsung
dikawasa ku maranehna.
Dina konteks ieu remen hadir para
“komprador” jeung “rentseekers”, nyaeta
para perantara kuasa politik bermotif
kauntunganekonomipikeundirinaatawa
kolompokna. Kukituna, kamaslahatan
jeung kapentingan publik jadi
kamarginalkeun.Kusebabeta,urangkudu
ngabangun kakuatan sipil nu mandiri nu
sacara kolektif mampuh ngabendung ka-
mungkinanayanaeksesnegatiftinaprak-
tik-praktik demokrasi liberal nu leuwih
nguntungkeun para pemilik modal, elit
politk, jeung elit ekonomi. Rayat tung-
tungna mah ngan bersifat nominal jeung
aya di saluareun arena demokrasi, sabab
nya ngan para oligarki nu satemenna
kumawasa jeung nu nangtukeun jalan
hirup nagara jeung bangsa ieu. ***
*) Guru Besar Ilmu Pemerintahan &
Kepala Departemen Ilmu Politik Fisip
Unpad
Demokrasi Versus Oligarki di Indonesia
Ku Dede Mariana *)
45.
Wargi urang anunuju midang ayeuna namina Putri Kumala Galuh Tresna.
Puti-puti atanapi Puput nenehna mah, putrana Bapa Asep GP sareng Ibu Junia Yuning-
sih.
Dibabarkeun di dayeuh Bandung ping 28 Juni 2013 atanapi 19 Sya’ban 1434 H. Hobi
atanapi karesepna nyonyo susu sareng ngorondang da alit keneh. Tapi sok sanaos teu
acan sataun namung tos capetang nyarios tiasa ngetang dugi ka tilu sareng sok nurutan
adjan atanapi sok ngibing pami aya musik. Upami angen-angen atanapi cita-cita na tang-
tos sakumaha harepan ibu ramana , hoyong janten jalmi soleha hormat tilawat ka ibu-
rama tur aya gunana kanggo bangsa sareng nagara.Puput nu bumina di Jl. Baladewa II
No.96 Bandung, wiat salam saurna kanggo sobat sareng wargi-wargi Mangle Alit.Mugia
sadayana ginanjar kawilujengan.Amien!***
46.
SSakola ka Sakola
45Manglé2478
K
aum rumaja téh generasi
bangsa. Hartina ketak jeung
kaparigelan kaum rumaja
Sunda ogé, tetep kudu ditalinga-
keun. Kumaha ari dina widang bu-
daya? Sidik, kaum rumaja di tatar
Sunda téh kembangna budaya
mangsa nu bakal datang. Ku kituna,
tarékah jeung jurus mekarkeun seni
Sunda di kalangan kaum rumaja
perlu panalinga balaréa. Naha
kumaha jurus-jurus mekarkeun
Sunda di kalangan rumaja?
Kamekaran informasi jeung
globalisasi, keur kaum rumaja gedé
pisan pangaruhna kana polah jeung
kaparigelan kaum rumaja. Lantaran
kitu, dina widang seni Sunda ogé
perlu jurus-jurus nu metakeun
kaum rumaja sangkan teu poho
kana budayana, nu di antarana
kasaksen di tatar Sunda Cicalengka.
Kumaha metakeun kaum rumaja di
widang budaya Sunda?
Ngawanohkeun budaya di kala-
ngan rumaja Cicalengka, sing-
horéng pikareueuseun. Kituna téh,
lantaran di Cicalengka mah
(hususna di gugus wilayah 6) ung-
gal taun geus metakeun jurusna
ngaliwatan kagiatan pasanggiri Seni
Sunda. Taun 2014 gé pasanggiri téh
diayakeun keur tingkat gugus 6
wilayah Cicalengka. Éta pasanggiri
ngalombakeun rupa-rupa widang,
di antarana nulis dongéng, lomba
pupuh, mintonkeun seni jeung
sajabana. Pamilonna ti unggal
sakola SMP nu kawengku di gugus
6 wilayah Cicalengka.
Nurutkeun Rohendi S.Pd., Ketua
Gugus 6 Wilayah Cicalengka, acara
pasanggiri nu dilaksanakeun di
SMPN1 Cicalengka, di antarana
keur ngawanohkeun seni Sunda di
kalangan kaum rumaja Cicalengka.
“Pasanggiri seni Sunda, kanggo
sakola di Cicalengka mah penting
pisan, supados murangkalih wanoh
kana seni Sunda,” pokna.
Kumaha ari kaum rumaja
soranganana, naha resepeun kana
seni Sunda? Hususna di gugus 6
wilayah Cicalengka, singhoréng
matak pikareueuseun. Buktina, tina
32 pamilon marilu lomba ti 20 sakola,
geus ngabuktikeun kaparigelan nu
henteu éléh jeung daérah séjénna.
Miara jeung ngamumulé basa
sastra, sarta seni budaya Sunda
séjénna, ka dituna mah lain saukur
nepikeun dina kagiatan-kagiatan
seremonial. Tapi, ngamumulé bu-
daya Sunda Sunda, ahirna mah
kudu ngahasilkeun pasipatan kaum
rumaja nu luhung élmuna jembar
budayana ogé pageuh agamana.
Lantaran, budaya Sunda nu dalit
pisan jeung Islam, salawasna keur
nguatan pribadi-pribadina sangkan
hadé ka sasama, hadé di ling-
kunganana ogé hadé dina Ibadahna.
Upama kiwari kaum rumaja loba
kénéh nu henteu wanoh kana bu-
daya Sunda, lain hartina kaum
rumaja embungeun wanoh. Ku kitu-
na, pihak-pihak sakola di Ci-
calengka, nurutkeun Kabid SMP
Drs. H Adang Sujana M.MPd.,
sakola ogé neundeun kawajiban,
sangkan ti kaum rumaja SMP kénéh
kudu diwanohkeun kana budayana.
“Kantenan ngawanohkeun budaya
Sunda ogé sangkan murangkalih
gaduh jati diri sareng langkung
nyaah ka daérahna,” pokna tém-
brés. *** (DJ/RH)
Pasanggiri Seni Sunda;
Metakeun Rumaja Wanoh kana Budayana
Para pamilon lomba pasanggiri tingkat gugus 6 wilayah Cicalengka.
47.
Manglé 247846
AAweuhan Pasundan
D
inaumur nu can panceg
dua taun, Akademi Budaya
Sunda (ABS) Unpas geus
sawelas kali ngayakeun kagiatan
atikan. Entragan X jeung XI
dipungkas poé Salasa, 6 Méi nu
anyar kaliwat. Saban angkatan,
atikanana lumangsung dina waktu
tilu nepi ka opat bulan. Sa-
angkatan, pamilonna nu disebut
sénabudaya, diwatesanan ukur 30
urang. Saban entragan, diwatesa-
nan tilu angkatan, malar kagéroh
ku para manggala, nyaéta nu
ngatik para sénabudaya. Atikanana
diwangun ku dua widang, nyaéta
widang budaya sacara umum jeung
widang basa Sunda, utamana
nyoko kana kamahéran biantara.
Tina sawelas angkatan nu geus
dilaksanakeun téh sawatara
angkatan mangrupa réalisasi tina
gawé bareng antara ABS Unpas
jeung Pemkot Bandung. Gawé
bareng nétélakeun yén Pemkot
Bandung baris ngirimkeun para
pamancén-publik di lingkungan-
ana pikeun dibekelan bagbagan bu-
daya Sunda katut basa Sunda ti
para manggala nu aya di ABS
Unpas.
Para Kepala Dinas, para Camat,
para Kepala Sekolah SD (gugus
tugas), SMP, SMA katut SMK sa-
Bandung kungsi jadi sénabudaya
ABS Unpas. Nu kauger ku gawé
bareng tapi can kaburu kalaksana-
keun téh nyaéta mekelan bagbagan
kasundaan ka para lurah sa-Ban-
dung. Malah kungsi diocal-ocal
malar para anggota DPRD Kota
Bandung 2014-2019 gé dibekelan
heula bagbagan kasundaan ku ABS
malar teu “ngatog” enggoning
ngalaksanakeun pancénna, ngi-
gelan kahayang warga Bandung
anu pangeusina réréana urang
Sunda. Sawatara angkatan deui
mah para sénabudaya-na diwa-
ngun ku para inohong nu aya di
lingkungan Unpas. Aya katangtuan
Réktor yén Sértipikat ABS téh
mangrupa salah sahiji pasaratan
utama pikeun naék pangkat atawa
pikeun diangkat jadi pejabat di
lingkungan Unpas.
ABS Unpas diresmikeun
ngadegna dina tanggal 14 Juli
2012, di Gedong Bank Indonésia
Jawa Barat, basa Paguyuban
Pasundan ngayakeun kagiatan
Mapag Saabad Paguyuban Pasun-
dan. Ku lantaran kitu, ngadegna
ABS Unpas téh gedé pisan pakuat-
pakaitna jeung urusan kasundaan,
anu ahir-ahir ieu teu weléh jadi
AkademiBudayaSundaUnpas
MekelanÉlitSundakuKasundaan
Ketua Umum Pengurus Besar Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. H.M. Didi Turmudzi (kaopat ti kenca)
sareng Rektor Unpas ngaluuhan pasamoan pamungkas angkatan X&XI ABS Unpas.
48.
47Manglé 2478
bahan sawala.Pangpangna
ngeunaan réana urang Sunda nu
geus teu ingeteun deui kana bag-
bagan kasundaan, boh budaya boh
basa. Réa urang Sunda nu henteu
nyarita ku basa Sunda, boh dina
pasamoan resmi boh ukur dina
wangkongan papada urang Sunda.
Horéng sabab-musababna mah
lain ku lantaran embung nyarita ku
basa Sunda, tapi réréana mah ku
lantaran “teu wani”. Ku alatan
“sieun” salah, da mungguh basa
Sunda mah apan aya undak-
usukna majar téh. Batan salah, nu
antukna digeuhgeuykeun atawa di-
gelendeng deungeun, papada
urang Sunda deui, atuh nya milih
teu maké basa Sunda waé. Leuwih
hadé maké basa Indonesia, da
cenah henteu réa teuing undak-
usukna cara basa Sunda. Anu
mibanda pamadegan katut sikep
samodél kitu téh lain Si Itu Si Éta,
tapi réréana mah urang Sunda nu
nyangking kakawasaan di
birokrasi.
Kaayaan samodél kitu jadi
wangkongan di antara para ping-
pinan organisasi organisasi
kasundaan. Tapi ukur jadi kaca-
pangan wungkul. Teu dipikiran
kumaha ngungkulanana, mana
komo bari prakna. Paguyuban
Pasundan, organisasi kasundaan
nu pangkahotna, engeuh kana éta
pasualan, sarta mireng
pibahayaeunana pikeun nasib
Sunda pikahareupeun. Upama
kaayaan samodél kitu pada ngan-
tep, teu mustahil jaga mah Sunda
téh ngan kari ngaran. Dina ayana
ogé jalmana, teu mustahil geus
leungiteun jatidiri kasundaanana.
Ketua Umum Pengurus Besar
Paguyuban Pasundan, Prof. Dr.
H.M. Didi Turmudzi, nu dua pério-
de jeneng Réktor Unpas, méméh
mungkas pancénna anu kadua téh
nyawalakeun heula éta perkara
jeung sawatara inohong Sunda.
Saréréa sapuk kana perluna hiji
lembaga anu pancénna mekelan
para élit Sunda ku bagbagan
kasundaan. Saréréa sapuk deuih
yén éta lembaga téh kudu mang-
rupa atikan anu sipatna non deg-
ree, tur dina wangun “akademi”.
Saréréa sapuk éta lembaga atikan
téh ngindung ka Universitas
Pasundan (Unpas). Ku lantaran
kitu éta lembaga atikan téh
dingaranan Akademi Budaya
Sunda Unpas. Sacara otomatis (ex
officio), Réktor Unpas kapapancé-
nan jadi panangkesna.
Atikan di ABS Unpas lumang-
sung pasosoré, sakali dina sa-
minggu, sangkan teu ngaganggu
kana pancén sapopoé nu kudu di-
laksanakan kalawan mayeng ku
para pejabat pamaréntahan. Ki-
wari, ABS Unpas keur tatahar
pikeun ngayakeun gawé bareng
jeung Pemda Jabar, sarta sawatara
Pemda nu aya di Jawa Barat, di
antarana Pemda Sumedang jeung
Purwakarta, malar para inohong-
na, sarta para mitra gawéna, katut
para anggota DPRD-na, diilukeun
kana atikan nu dilaksanakeun ku
ABS. Malar teu ngaganggu kana
pancén sapopoé, atikan ABS Unpas
bisa dilaksanakeun di masing-ma-
sing kota katut kabupetan di saku-
liah Jawa Barat. *** (Yayat
Hendayana)
D
i Angkatan XI ABS Unpas
nu pasamoanana dipung-
kas tanggal 6 Mei nak. Aya
salah saurang sénabudaya nu éstu
lungguh timpuh tur kawilang
getol. Tara mangkir mun teu
kabeneran aya pancén nu enya-
enya kudu diréngsékeun saharita
kénéh mah. Carang takol, teu cara
karéréaan batur saentraganana,
tur saregep lebah ngabandungan
manggala nu keur méré atikan.
Wastana Nurul Mu’min, S.Pd.
Pancén sapopoéna Bendahara
Kantor Pusat Unpas, ngantorna di
Kampus IV Unpas, Jl. Setiabudi
191 Bandung. “Manglé” kungsi
ngawangkong saliwatan jeung Pa
Nurul, landihanana sapopoé,
sabada réngsé pasamoan pamung-
kas Angkatan XI.
“Alhamdulillah sim kuring tiasa
ngiring ABS téh”, cék Pa Nurul
daria nakeran. Pa Nurul
nétélakeun yén di ABS téh réa
pangaweruh perkara kabudayaan
Sunda nu katarima ti para mang-
gala. Utamana mah dina bagbagan
basa, wabil husus biantara.
“Sabada ngiring ABS” cek Pa
Nurul, “bet jorojoy hoyong nyobi-
nyobi nyerat ku basa Sunda
kintunkeuneun ka Mangle.”
“Leres pisan Pa Nurul. Cobian
geura. Saur saha nyerat dina basa
Sunda sesah?”*** (nay)
ABSUnpas
CékSenabudaya
Nurul Mu’min, S.Pd., senabudaya ABS
Unpas angkatan XI
49.
“Aya hiji raja....!”Kitu di an-
tara bubuka dongéng baheula
mah. Enya, da biasana gé nu di-
dongéngkeun téh raja jeung kula-
wargana. Sok kacatur, kulawarga
raja mah, mun anak awéwé
gareulis mun lalaki karasep, jaba
palinter deuih. Kitu deui lingku-
ngan sabudeureunana, éndah
jeung sarwa pikaresepeun.
Cindekna, gambaran lingkungan
karajaan mah sarwa pika-
bitaeun.
Carita-carita baheula, saperti
nu dilalakonkeun dina pantun,
dina wawacan gé sarua, nyarita-
keun raja jeung lingkungan kula-
wargana. Kitu deui dina
carita-carita klasik séjénna di
mana waé, sarimbag nu dicarita-
keun téh lingkungan karaton
atawa istana. Matak salasahiji ciri
carita klasik mah istana séntris.
Karajaan tangtu wé boga raha-
yat. Ngan, da dina carita gé rayat
mah arang kacatur. Mun ogé
kasabit-sabit, ukur minangka
piguran. Ukur papaés carita geu-
san némbongkeun kaagungan raja
jeung kulawargana. Apan, nu
umumna digambarkeun dina
carita baheula mah, rahayat téh
ukur sina ngabéngbréng sapaprat
jalan nu dililiwatan raja atawa
sina surak jeung émprak ‘nga-
haminan’ carita atawa paripolah
rajana.
Dina mangsa suksesi rahayat
kakara kacatur bari jeung rada
aya peranna. Saperti dina Lutung
Kasarung, waktu nangtukeun nu
pantes jadi raja (ratu), apan raha-
yat sina nangtukeun pilihanana,
ku cara meunteun kaunggulan
masing-masing nu diabénkeun.
Dina éta pantun, Purbasari
jeung Purbararang ngadu jajatén
rupa-rupa kadigjayaan. Nu
meunteunna, lian ti para réng-
réngan karajaan téh ogé rahayat
murba.
Kiwari, lain bihari. Tapi, carita
mangsa lawas téh remen kasaksén
deui. Najan sumber kakawasaan ti
masarakat, ahirna mah, rahayat
téh bangun nu teu boga peran.
Di lingkungan puseur kaka-
wasaan mah, teu weléh loba nu
ilubiung, nu kalungguhanana
dina carita mah minangka ‘peran
pembantu’. Aya Semar, togog,
jeung Sangkuni, dina wayang
mah, di antarana téh. Dina pan-
tun, aya Lengser.
Pancén tokoh pembantu, rupa-
rupa. Semar mah ngawula ka
dunungan nu protogonis, Togog
mah umumna ngawula ka tokoh
antagonis. Sangkuni, satékah
polah ngarojong ‘dununganana
’demi dirina milu nanjung. Keur
Sangkuni mah, tunggul dirarud
catang dirumpak gé teu dipahing,
demi tujuanana kahontal.
Léngsér mah teu kitu. Saperti
nu kacatur dina Lutung Kasarung,
éta tokoh mah nembrakkeun kaja-
dian nu saéstuna. Inyana ukur
mawa bewara nu samistina
ditepikeun ka balaréa. Taya mak-
sud ngarah kauntungan pribadi.
Dina usumna ganti rejim
pamaréntahan, nu saribuk mah,
pihak-pihak nu deukeut kana
puseur kakawasaan. Warta-warta
nu kacatur, ukur sabudeureun is-
tana. Rahayat, najan boga ‘sora
kawasa’ dina émprona mah ukur
jadi piguran, purah surak jeung
émprak, nu dikeprak ku pihak-
pihak nu ngarojong kandidat
caprés/cawaprés.
Keur ngeprak jeung ngukuprak
sora rahayat, loba nu milu aub
ngarojong calonna. Rupa-rupa
sesebutanana ogé, nu umumna
mah ngaku ‘relawan’. Pancénna,
néangan pangrojong saloba-
lobana sangkan calonna kapilih
jadi nu pinunjul.
Nu disebut ‘relawan’, umum-
na ilu-biung dina ngungkulan
masalah-masalah sosial jeung
bancang pakewuh. Arinyana mah,
tara ieu menta buruhan, da
patekadanana gé ukur mantuan.
Peun semet dinya!
Rélawan pulitik mah teu sa-
kelir. Pasipatan jeung patékadan-
ana ogé rupa-rupa naker. Upama
carita milih pamingpin kiwari teu
béda ti ngabadungan carita klasik,
nu jadi rélawan gé bisa waé,
kawas Semar, Togog, Léngsér,
atawa Sangkuni. ***
KKolom
CaritaBaheula
Manglé 247848
50.
49Manglé 2478
N
GOMONG téhpikeun
Urang Sunda mah kacida
pisan pentingna. Upama
urang ngadéngé béja ngeunaan diri
urang, boh nu hade boh nu goréng
sawadina upama ku urang di-
tanyakeun ka nu ngomongna.
Lamun béja, béja ti saha, lamun
enya kungsi nyarita tanyakeun
naon sababna. Nyakitu deui upama
urang ngarasa tugenah ku batur,
sawadina upama ku urang
diomongkeun ka jinisna. Penting-
na ngomong téh apan kaunggel
dina paribasa hadé ku omong,
goreng ku omong. Éta paribasa téh
netelakeun pentingna klarifikasi,
nanyakeun bener henteuna.
Lebah nepikeun kereteg angen-
angenna sacara lisan, Urang Sunda
mibanda cara mandiri, luyu jeung
tujuan atawa kaperluan
ngalisankeunana. Saban cara
ngabogaan istilah sorangan.
Upama ngan saukur hayang
nepikeun béja wungkul bari teu
disartaan ku maksud-maksud
husus mah (tanpa pretensi),
nyarita téh tangtu saujratna, hen-
teu diruka-réka. Tapi upama
disartaan ku niat-niat husus mah
cara ngalisankeunana gé tangtu
béda. Cara ngalisankeun kereteg
angen-angen téh aya kalana
gumantung ka saha anu diajak
nyaritana. Upama nu diajak
nyarita baris babari ngarti kana
eusi caritaanana, cara ngalisan-
keunana ogé baris “biasa-biasa”
waé. Ngan upama cék rarasaan nu
nyarita (komunikator), nu diajak
nyarita (komunikan) téh kasawang
baris hésé pingartieunana, kakara
komunikasi lisan téh maké cara nu
“teu biasa”. Cara komunikasi lisan
Urang Sunda diwangun ku (1)
satarabasna, (2) togmol, (3) ceplak
pahang, (4) malapah gedang, (5)
malibir, (6) sugan surti. Ti jaman
bihari nepi ka jaman kiwari, cara
komunikasi lisan Urang Sunda teh
kawasna teu robah-robah. Dina
perkara komunikasi lisan mah
tetela Urang Sunda teh mibanda
cara sorangan. Anu masing-masing
cara mibanda ajen inajen mandiri.
Satarabasna, nyaéta cara
nyarita nu teu diréka tur teu ngan-
dung maksud nanaon, iwal ti kaju-
rung ku niat malar nu diajak
nyarita nyaho kana informasi nu
baris ditepikeunana. Alhasil,
nyarita satarabasna téh nyaéta cara
carita nu teu disartaan ku ka-
hayang sangkan nu diajak nyarita
méré réaksi nu husus, tapi ngan
sakadar pikeun méré informasi
ngeunaan hiji perkara ka jalma nu
diajak nyaritana.
Togmol, nyaéta cara nyarita nu
langsung kana poko pasualanana
(to the point). Nu dipentingkeun
lain saha nu diajak nyaritana, tapi
naon nu jadi poko pasualan dina
caritaanana. Poko pasualan téa nu
dijieun jejer carita téh. Biasana,
cara nyarita togmol téh sok dilisan-
keun ku jalma anu perwatekna
dina cacarita sok poksang,
sabalakana.
Ceplak pahang, nyaéta cara
nyarita nu henteu dibarung ku
tinimbangan naha diajak nyarita
téh baris nyerieun haténa atawa
henteu. Lebah nyaritakeun kasala-
han nu diajak nyarita, tara ieuh
dipinding-dipinding. Dicaritakeun
saceplakna, sok sanajan matak “pa-
hang” karasana ku anu diajak
nyarita.
Malapah gedang, nyaéta cara
nyarita nu tojaiah jeung togmol.
Upama togmol mah langsung kana
poko pasualan, ari malapah gedang
mah ditéték ti awal mula pangna
éta pasualan aya. Nu diajak nyarita
kudu nyabar-nyabar manéh pikeun
ngadagoan dongéng nu nyarita
saméméh tepi kana poko pasualan-
ana.
Malibir, nyaéta cara nyarita
anu henteu langsung kana poko
pasualan, tapi ngadongéngkeun
heula nu “lain-lain” anu brasna
kana poko pasualan téa. Ku cara
komunikasi lisan nu malibir mah
aya kalana caritaan ngeunaan
poko pasualan téh henteu
dikedalkeun, saupama nu diajak
nyarita dianggap geus ngarti kana
pasualan atawa informasi nu
baris ditepikeun.
Sugan surti, nyaéta cara nyarita
nu henteu langsung ngeunaan
pasualan nu baris ditepikeunana.
Nu dicaritakeun téh nyaéta
perkara-perkara lian tapi anu
mémper-mémper kana pasualan
anu hayang ditepikeunana. Cara
nyarita samodél kitu téh nyaéta
cara nyarita anu miharep malar nu
diajak nyarita surti. Ari nu diajak
nyarita surti mah hartina tangtu
baris nyaho kana naon anu jadi
poko pasualan, nu saéstuna rék
dikedalkeun téa.***
DI KIWARI MACA BIHARI
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)
Hadé ku Omong, Goréng ku Omong
51.
KORESPONDEN: Asep GP,Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun
Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali
Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)
Manglé 247850
KKatumbiri
G
edong Budaya Sabilulungan
(GBS) sawatara waktu nu kali-
wat diresmikeun ku Bupati Ban-
dung, Dadang M. Naser. Rupa-rupa
kasenian ngeuyeuban kagiatan mung-
garan dipungsikeunna GBS, ti mimiti
tari para mojang ti sanggar tari
Rumingkang, rampak kendang, rampak
tarompét nepi haleung ti Rita Tila.
Hanjakalna, tari keurseus nu di-
pihareup jadi “icon”-na Kabupatén Ban-
dug teu bisa midang, lantaran salian ti
peresmian GBS dipasahkeun ka “event
organizer” (eo), waktuna ogé dipaju-
keun, tina rencana awal nu rék
dilaksanakeun dina bulan Juli.
“Waktosna samporét pisan. Tapi
saleresna Paseban tos nyiapkeun raran-
cang acara, kirang langkung tos 80 per-
sénna, ti ngawitan ngaguar para bupati
manten dugi ka kasenian nu aya di
Kabupatén Bandung,” ceuk Ketua
Paguyuban Seniman Budayawan (Pase-
ban) Kabupatén Bandung, Abah Awi,
bari ngémbohan yén dirina ngarasa
hanjelu ku teu dipintonkeunana tari
keurseus.
Ngeunaan sikep Paseban satutasna
GSB diresmikeun, ceuk Abah Awi,
pihakna masih nungguan kaputusan
naha GBS téh rék dijadikeun UPTD
atawa disérénkeun ka pihak katilu
(swasta). Nu jelas, lamun GBS nepi ka
diswastakeun lebar temen, sabab pihak
katilu mah ukur néangan untung keur
mulangkeun modal. Moal boga karep
hayang ngamumulé seni jeung budaya
daérah. Malah bisa baé GBS diséwa-
keun ka saha waé asal puguh
piuntungeunana.
“Upami di-UPTD-keun, insya Alloh
Paseban tetep ulubiung pikeun ngeu-
sian kagiatan di GBS. Pami
dikaswastakeun moal ngiring ilubiung.
Tapi perkawis seniman mah Paseban
moal dilarang midang di GBS, asal
profésional, ulah dimurah-maréh cara
ayeuna.
Abah Awi ngémbohan, pikeun nga-
mumulé seni jeung budaya daérah ulah
ditilik tina kauntungan wungkul, komo
bari boga pikiran kumaha carana
sangkan éta gedong bisa ngahasilkeun.
Tapi kudu aya pamikiran ka hareup,
saha nu apal ti GBS bisa lahir seniman
jeung budayawan terah Kabupatén
Bandung anu kamashur ka manca-
nagara.
Salah saurang anggota Paseban
Kabupatén Bandung nandeskeun, yén
GBS bisa jadi kareueus warga Kabu-
patén Bandung. Éta gedong agréng nu
méakeun lahan leuwih ti sa héktar téh,
kahareupna bisa jadi tujuan wisata.
Malah ku lega jeung tohagana éta
wangunan GBS, kahareupna bisa di-
jadikeun tempat keur nampung para
pangungsi, ceuk anggota Paseban nu
narah disebutkeun ngaranna.
Sedengkeun Bupati Bandung mah,
Dadang M Naser, nétélakeun yén di
sabudeureun GBS rencanana Pemkab
Bandung rék ngawangun “sains center”
nu bisa dimangpaatkeun ku sakabéh
budak sakola jung mahasiswa di kabu-
patén Bandung, pikeun ningkatkeun
pangaweruhna. Salian ti kitu, oge rék
dibangun “plaza” (panggung terbuka)
pikeun kagiatan paméran jeung konsér
seni nu bisa nampung rébuan jalma nu
lalajo, lantaran GBS mah kapasitasna
ukur 800 urang panongton.
Bupati ogé nandeskeun, ngadegna
GBS mangrupa bukti gawé Pemkab
bandung dina ngabebenah infastruktur
salian ti jalan. Malah dina taun ieu
“sains center” jeung plaza kudu réngsé
pangwangunannana. Ngeunaan SDM,
ceuk Bupati, di Kabupatén Bandung
masih kénéh kurang optimal, can
saluyu jeung harepan. Kikituna, pikeun
ngaronjatkeun SDM Pemkab Bandung
ngayakeun gawé bareng jeung Ustrali
ogé jeung Koréa Selatan.
“Kanggo ngaronjatkeun SDM di
Kabupatén Bandung, pemkab Bandung
parantos ngintunkan 120 urang guru
kanggo ngiring pendidikan di Ustrali,”
pokna.***nunk
GedongBudayaSabilulungan
TacanPuguhnuNgokolakeunana
Salasahji pidangan seni di GBS
52.
B
andung pangjugjugan. Nuti
mana nu ti mendi arulin ka
Kota Bandung. Rupa-rupa
kamonésan nu aya di Kota Bandung
mémang kumplit. Aya wisata kulinér,
alam, ogé wisata seni. Lantaran kitu,
widang atikan wisata gé
dipeupeujeuhkeun pisan, saperti di
sakola-sakola nu mindeng ngayakeun
kagiatan budaya jeung seni, kaasup
di sakola SMK N 1 Kota Bandung, nu
dikokolakeun ku OSIS SMK Negeri 1
Bandung (19/4/2014). Éta kagiatan
mangrupa program kerja taunan,
“MOKA (Mojang Jajaka)”. Kalawan
garapanana sangkan para siswa bisa
parigel luyu jeung témana, sahaté,
ngaranté, jeung racagé.
Kamekaran budaya Sunda di
sakola mémang pikareueuseun.
Pihak sakola gé boga udagan. Lain
saukur nganteur barudakna dina
tingkat kagiatan sérémonial, tapi
geusan ningkatkeun ajén barudak
sangkan pribadi-pribadi siswa boga
sikep nu hadé luyu jeung kultur bu-
daya Sunda nu kudu nyaah ka
sasama, hadé di lingkunganana ogé
luhung élmuna.
Ku kituna, pihak sakola SMKN 1
Bandung gé, pamilonna ti saban
tingkat program kaahlian. Aya ti
program keahlian Akuntansi,
Perkantoran, Pemasaran, jeung
Usaha Perjalanan Pariwisata.
Mekarkeun budaya Sunda di
sakola loba mangpaatna. Para siswa
gé dipiharep bisa ngali poténsi dina
widang kaparigelan budaya, di
antarana nyiapkeun kembang-kem-
bang mojang jeung jajaka Kota Ban-
dung. Lian ti mojang jeung jajaka,
lomba widang budaya séjénna
saperti lomba kageulisan, akustik,
pasakan Sunda, produk kréatif,
business plan, jeung lomba maca
sajak Sunda.
“Seueur pisan palajaran tina
ngiringan lomba mojang jeung jajaka
di SMKN 1 Bandung. Komo nu janten
girang pangajénna ti Mojang jeung
Jajaka Kota Bandung, Teh Siti Anida
sareng Kang Rizky,” cék Grimal,
minangka pinunjul Mojang Jajaka
SMKN1 harita. *** (RH)
SMKN 1 Bandung
Sirung Harepan Mojang Jajaka Kota Bandung
Pasanggiri Mojang Jajaka di sakola,
ngawanohkeun budaya Sunda ka para siswa
Para pamilon mojang jajaka SMKN 1 Bandung
Pinunjul Mojang Jajaka di
SMKN1 Bandung
51Manglé 2478
53.
Manglé 247852
KKatumbiri
A
mpir sakabéhjalma jaman ayeu-
na ngagunaken batré keur
kapereluan hirup sapopoéna. Ti
mimti jam tangan, jam dingding, rémot,
telepun sélulér, nepi ka kaméra dijital
maraké batré. Naha dikamanakeun éta
batre lamun geus teu kapaké deui?
Umumna runtah batre téh dipiceun ka
mana lungna atawa kana carangka
runtahkeun. Sama sakali jalma-jalma
téh henteu nyarahoeun kana bahayana
runtah batré lamun dipiceun sam-
barangan ka mana baé lungna. Sering
ningal batré balatak di jalan, ku baru-
dak sakola ditarajongan, dipaké ulin.
Deuh… bahaya éta téh!
Runtah batré kaasup limbah B3,
bahan anu gedé bahayana jeung ngan-
dung racun. Sabab kandungan batré téh
rupa-rupa logam berat, jeung jat-jat anu
gedé bahayana. Éta sababna upama
runtahna dipiceun sambarangan lain
nimbulkeun polusi wungkul, tapi bakal
nyemarkeun sumber daya alam, taneuh,
jeung cai. Nu aya dina kandungan
batré nu jadi sumber daya batre, bahan
logam berat éléktrolit korosit kayaning
timah, mérkuri, nikel lithium, kadmium,
pérak, séng, jeung mangan.
Dina aksi mikro organisme, mérkuri
“unorganik” bisa dirobah jadi “methyl
mercury” nu ngumpul dina awak lauk
nu hirup dina cai nu cemar. Terus éta
lauk dikonsumsi ku manusa. “Methyl
mercury” nu geus aya dina awak lauk
kadahar ku manusa bisa asup kana sél-
sél uteuk, balukarna serieus pisan,
ngaruksak sistim sarap nu bisa
nyababkeun manusa jadi gélo, malah
leuwih parna deui, manusa bisa maot.
Kadmium batré bisa ngontaminasi
taneuh jeung cai nu dikonsumsi manusa,
asup kana awak manusa, ngaruksak
ginjal jeung haté, ogé bisa ngahipukeun
tulang atawa ngalantarankeun cacad
atawa tanpadaksa tulang-tulang, tulang-
tulang ruksak parna.
Kadmium ogé bisa ngabalukarkeun
karacunan kronis jeung jadi paktor
panyabab “emfisema” (kasakit paru-
paru “obstrutip kronik” nu nyababkeun
ruksakna kantong udara dina paru-paru).
Lian ti kitu, panyabab “osteomalasia”
(hipuna tulang), anémia (kurang getih),
sarta lumpuhna tulang-tulang manusa.
Tétéla tacan loba masarakat anu
sadar kana bahayana batré nu geus teu
Kapaké. Loba anu sagawayah neun-
deun batré nu teu kapaké dimana baé.
Tampolana diantep dipaké ulin ku baru-
dak. Aya informasi ti sawatara urang
Galuh Ciamis, di wewengkon Ciamis
mah mariceunan baré urut téh ka kebon,
ka sawah, jeung kana akar tutuwuhan
cenah alus keur gemuk. Di Bandung ogé
loba anu mariceun batu batré ka kebon
sangkan pepelakan subur cenah.
Runtah batré kudu diurus sacara
husus,mun geus teu kapaké kumpulkeun
dina tempat husus. Pisahkeun tina rupa-
rupa runtah séjénna.Di Bandung aya
tempat husus keur ngumpulkeun batré
urut atawa runtahbatré nyaétadi TOBU-
CIL jalan Acéh nomer 56, teleponna
022.4251548. Cp. Sdrk. Tarlan jeung
Yayasan Kontak Indonesia Jln. KHA.
Dahlan no 67, telepon 022.7230735. CP.
Sdrk. Endy.
Éta limbah B3 tina batré diruang dina
jero taneuh nu geus ngandung bahan
kimia séjénna pikeun dinétralisir jeung
diancurkeun sangkan henteu nyemar-
keun lingkungan.
Di nagara-nagara maju saperti Éropa,
geus disadiakeun husus keur ngadaur-
ulang runtah, ka asup runtah batré.
Ngilik tina bahayana limbah batré,
mimiti ayeuna urang kudu saradar jeung
paduli kana bahaya nu ngancam urang
saréréa, keur kasehatan jeung kasala-
metan diri urang. Nyaéta ulah sambara-
ngan miceun runtah batré. **Tati
S.Hartati Sutardi**
S
abadangaliwatanproséswaktusaki-
tu panjangna, enggoning natahar-
keun albeumna dina wanda
Dangdut, “Buaya Cinta”, minangka judul
laguanujadikokojonadinaalbeummung-
garan Soraya Liberty, wanoja pituin Ban-
dung.
Miang tina karesepna kakawihan, ti
budak mula, ieu wanoja kalahiran Ban-
dung 27 taun katukang, geus meunang
pangbagéa ti balaréa. Ku sora halimpu
jeungdedegpangadegnaanujangkunglen-
jang, ieu artis ti kota kembang téh remen
diondang pikeun manggung dina rupa-
rupakagiatan.Saliantiéta,munieuwanoja
pada mikawanoh, teu anéh, sabab remen
ngalanglang saba kota ngayakeun “talk
show” kakawihan luyu jeung dunyana
(artis). Lian ti dunya kakawihan, ieu
wanojagéaktipdeuihdidunyabutikjeung
“fashion”.
“Ngadamel albeum nu saé sarta gaduh
daya tarik,éestu kedah dipidamel kalawan
daria tur propésional,” kitu ceuk ieu artis
nu kungsi meunang pangajén Penyanyi
Dangdut Wanita Terbaik RDP Cianjur,
sarta Pinunjul I Dangdut PAMMI 2008.
Albeum munggaran anu lébelna
‘Maheswara Record’ diolah daria naker
ku Soraya Production, kalawan eusina
teu kurang ti sapuluh lagu, boh lagu
ciptaan sorangan boh karya-karya
pangarang petingan.
Di antara lagu-laguna téh “Buaya
Cinta “ karangan Soraya , “TTDj”
karangan Solid Ag., “Dilema” beunangna
Endang Kurnia; “Kartu Merah” ciptaan
Endang Kurnia”, “Sadis” karangan Solid
Ag; jeung “Akang Atlan” lagu ciptaan
Agus Gepeng.*** (nay)
BatréUrutUlahSambaranganDipiceun
BuayaCinta
KokojoAlbeumnaSorayaLiberty
54.
53Manglé 2478
K
u ditetepkeunanaMRA (Mutu-
al Recognition Arrangement)
saban nagara anggota ASEAN,
teu diiwalkeun, keur sakumna “desti-
nasi” pariwisata sadunya diperedih
pikeun ngahontal sértifikasi setandar
palayanan nu bisa ditarima (accep-
teble) keur papada anggota ASEAN.
Patali jeung éta ha eta, industri pari-
wisata saperti hotél, ti waktu ka waktu
terus mekar luyu jeung mekarna dunya
usaha, pon kitu deui ku beuki
nambahanana jumlah hotél, hususnya
anu aya di Jawa Barat, kalawan rupa-
ning klasifikasi, boh Bintang boh Non
Bintang (Melati). Usaha jasa perhotélan
kiwari keur nyanghareupan persaingan
anu kacida beuratna. Ku kituna, saban
hotél diperedih sangkan mampuh
nerapkeun “sistem service of écellent”,
sarta kudu boga daya tarik pikeun
ngirut konsumén.
Maju tur suksésna hotél ditangtu-
keun ku jumlah kamar nu dieusian ku
konsumén. Ku kituna, manajemén
hotél geus bisa ngéker-ngéker presén-
taseu “hunian kamar”, ulah nepi ka
kamar nu kaeusian kurang tina kapa-
sitas kamar nu geus disadiakeun.
Ku sabab kitu, dina bisnis per-
hotélan estu kudu terus ningkatkeun
ajén Sumber Daya Manusia (SDM).
Lantaran kualitas SDM bakal nangtu-
keun pisan kana ajén produk jeung
palayanan hotél.
Ningkatkeun citra pariwisata Jawa
Barat di tatar nasional hususna, inter-
nasional umumna, perelu rupaning
tarékah. Lian ti ngahangkeutkeun gawé
bareng jeung pihak-pihak séjén anu aya
pakaitna jeung widang wisata, ogé
perelu pangrojongna SDM nu punjul.
Pikeun nyitak SDM punjul, minangka
salasahiji tarekahna, ku cara sértifikasi
kompeténsi widang parwisata, hususna
tanaga perhotélan.
Éta hal ditétélakeun ku Drs.
Rusyandi, M.Si., Kepala Balai Pengem-
bangan Kemitraan, Pelatihan Tenaga
Kepariwisataan Dan Kebudayaan Jawa
Barat, dina acara ”Sertifikasi Kompe-
tensi Tenaga Hotél”, sawatara waktu ka
tukang di Grand Hani Hotel, Lémbang.
Demi nu jadi udagan digelarna
acara, ceuk Rusyan, nyaéta pikeun
ngaronjatkeun kuantitas jeung kualitas
tanaga hotél sangkan mibanda sértifi-
kasi anu luyu jeung “standar kompe-
tensi kerja” (SKK) nu ditetepkeun ku
pamaréntah. Béh dituna, éta para
tanaga hotél siap nyanghareupan
persaingan global nu mingkin kompeti-
tip.
Rusyandi ngécéskeun, kagiatan di-
iluan ku 20 urang pamilon ti saban
daérah kabupatén/kota di Jawa Barat,
di antarana ti Kabupatén Garut, Kabu-
patén Bandung Barat, Kabupatén Su-
bang, Kota Bandung, Kota
Tasikmalaya, Kabupatén Purwakarta,
Kabupatén Sumedang, Kabupatén
Cianjur, Kabupatén Karawang, jeung
Kota Bogor.
Materina anu ditepikeunana,
sabudeureun arah kawijakan
ngamekarkeun SDM Pariwisata di
Provinsi Jawa Barat, kaweruh ngeuna-
an sértifikasi tanaga hotél, sarta prakték
jeung uji kompeténsi. Dina uji kompe-
ténsi, diluyukeun jeung Standar
Kompetensi Kerja Nasional Indonesia
(SKKNI) nu geus ditetepkeun ku
pamaréntah.
Nu jadipangjejerna, para nara-
sumber nu kompetén dina widangna,
para “Master Asessor”, jeung “Asessor”
nu geus genténg kadék legok tapak dina
widang perhotélan.***(nay)
SDMPerhotélanKuduTerusDitingkatkeun
Drs. Rusyandi, M.Si., Kepala Balai
Pengembangan Kemitraan, Pelatihan
Tenaga Kepariwisataan Dan Kebudayaan
Jawa Barat.
Ngawujudkeun SDM tanaga hotél unggul
55.
Manglé 247854
BBalé Bandung
O
ntohod!Sontoloyo! Kitu sora
kakeuheul urang ngabandu-
ngan kahirupan pulitik kiwari.
Teu kitu kumaha, atuda sasatna urang
digiring kitu wae milu kana pemilu
(pileg jeung pilpres) 2014 ayeuna nu
tatapakanana sakitu hengkerna. Coba
geura, beaya pemilu trilyunan, tapi
pemilu legislatip kamari sakitu matak
nguciwakeunana. Kahiji, cara atawa
sistem pemiluna nu sakitu bokbrokna.
Geuning “pulitik uang” pohara
mahabuna. Matak heran, kunaon teu
ditataharkeun nyadiakeun pelaksana
pemilu nu hade? Upamana wae, diaya-
keun pelatihan heula nu asak?Kadua,
cara nyadiakeun caleg (kaasup anggota
DPD) nu dipasrahkeu kitu wae ka
parpul jeung jinisna masing-masing.
Teu tembong aya sistem nu mampuh
ngayak caleg nepi ka ngahasilkeun
wakil rahayat nu ajenna unggul. Ana
kieu, kumaha bisana atuh lembaga
wakil rahayat (DPR/D jeung DPD)
ngahasilkeun produk UU nu nedunan
pangabutuh masarakat? Kumaha
bisana nagara urang nu keur gering
bisa cageur mun nu ngarawatna oge
jelema gering wungkul?
Ayeuna, der campuh nyanghareu-
pan pilpres nu waktuna sakitu
nyantekna. Kecap nomer hiji! Nu teu
kaharti, eta geura, kunaon milih capres
jeung cawapres saukur ngandelkeun
hasil survey ? Kulantaran hasil survey
pasangan Joko Wi jeung JK unggul,
nya dicindekkeun kitu wae, pasangan
bieu tegep pisan cenah mun dipilih ku-
lantaran luyu jeung kahayang rahayat.
Ke heula, juragan, pan kahayang raha-
yat nu tembong tina survey teh teu nga-
jamin bener atuh! Coba geura,
Soekarno, Soeharto, kitu deui SBY,
apan kungsi pada mikaresep ku raha-
yat, tapi ahirna tembong hengkerna.
Jas Merah, Jangan Sekali-Kali
Meninggalkan Sejarah.Eta nu perlu di-
larapkeun ka pasangan capres-
cawapres ayeuna oge. Ari saukur
nurutkeun karesep rahayat mah atuh
sarua wae jeung urang Jerman baheula
nu kagelo ku Hitler, atawa urang Peran-
cis ku Napoleon nu memang dina
jamanna kungsi dipikaresep ku
rahayatna. Hasilna kumaha? Apan
sakitu matak kukurayeunana.
Sang Pemilik
Tetela urang digiring kitu wae sina
milu kana pemilu, bari jeung teu
dibekelan pangaweruh jeung
pangabisa, kumaha carana milih
pamingpin nu hade. Malah, sasatna,
samakali henteu ditataharkeun tur di-
upayakeun kumaha carana supaya sis-
tem pemilu urang mampuh mahing
munculna pamingpin euwah-euwah.
Atuh nyucudna, dina kapilihna engke
wakil rahayat jeung pamingpin
pamarentahan nu teu eucreug, apan
rahayat deui wae nu disalahkeun mah.
“Anda sendiri yang salah, kenapa
memilih dia?” kitu pokna teh. Padahal,
sakuduna mah pamarentah, KPU
jeung lembaga wakil rahayat intros-
peksi atuh, kunaon hasil pemilu
nyamos wae. Ulah ieu mah tuluy sindir
sampir nyalahkeun rahayat nu teu
tuah teu dosa.Mun kieu, naon bedana
atuh Orde Reformasi jeung Orde Baru
nu sarua henteu “mencerdaskan raha-
yat?”
Jelas, Orde Baru teu boga karep
minterkeun rahayat, kulantaran sieun
masarakat nu kritis bakal ngaruntuh-
keun sistem pamarentahanana nu
represip. Tapi, ceuk saha pamarenta-
han ayeuna oge henteu represip?
Sarua wae juragan! Saha geura nu nga-
jago satukangeun pamarentah jeung
lembaga wakil rahayat? Pan parpul
galede nu dikawasa ku Sang Pemilik nu
urang oge apal nepi ka mana tingkat
kaadaban publikna…
Golput ideologis
Tangtu urang oge telenges tur teu
adil mun meunteun Orde Reformasi
ayeuna nol besar. Aya eta oge plusna,
minimal ayana kabebasan. Tapi, pan
teu cukup saukur kabebasan ku-
lantaran urang oge tetep merlukeun
kapamingpinan nu hade dibarengna
ku sistem nu ngarojong kaadilan jeung
karaharjaan.
Sabada pileg kamari nu nguciwa-
keun, nya dalah di kumaha, urang paju
wae pilpres engke bari jeung rea
kakurangna oge. Nu teu parok kana
sistem pemilu ayeuna, nya teu nanaon
milih golput oge, asal ambang batasna
ulah gede teuing. Maksudna, jumlahna
ulah rea teuing nepi ka bisa ngancam
pamarentahan hasil pemilu engke hen-
teu “legitimate”.
Masing kumaha wae oge, golput
ideologis leuwih mangpaat tibatan nu
marilu pemilu bari jeung maksudna jual
beuli kakawasaan wungkul. Golput nu
milih “jalan kesunyian penuh dengan
ketulusan”leuwihmulyatibatannumari-
lu pemilu bari jeung munapek! Ontohod,
sontoloyo!*** Karno Kartadibra
Dalah Dikumaha
56.
55Manglé 2478
TTarucing Cakra
KAGIGIR:
1. Papasangan halu
4. Lepus, sakti
7. Kamar mandi
9. Pramuka
11. Wakil rayat
12. Gunung
14. Panampungan cai
16. Wangun obat
17. Kabeh (Inggris)
18. Nuduhkeun ka nu deukeut
21. Turunan kahiji
23. Ikatan Dokter Indonésia
24. Paranabi
27. Kopé karangan/tulisan asli
30. Paragi meuntas
21. Cai muih di walungan/di laut
KA HANDAP:
1. Hina
2. Anak adi
3. Maskapé penerbangan di nagara urang
4. Waktu Indonésia Barat
5. Nu ngajaga jeung méréan sagala rupa
dahareun di nu kariaan
6. Musuh
7. Sugih mukti
8. Papasangan baud
10. Ukuran ‘kecepatan’ pilem
13. Ongkos kawin nu kudu dibayar ka
KUA
15. Manuk sabangsa walét
19. Hurang garing
20. Angin puyuh
22. Nu anyar kaliwat
25. Rambut
26. Sangu garing
28. Kantong semén
29. Geulis
Waleran diserat dina kartu pos, témpélan
Kupon Tarucing Cakra No. 1443.
Kintunkeun ka Majalah Manglé
Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuir
dua minggu saparantosna medal.
Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing
Cakra No. 1441:
1. Feri Saepulloh
Manglayang Regency Blok F6/4
Cileunyi - Bandung
2. Iwan Kurniawan
Jl. Mohammad Hatta
Gg. Citalaksana II No. 43
Tasikmalaya
3. Euis Komalasari R.
Jl. Rumah Sakit RT 03/03 245
Bandung
1443
K U P O N
TARUCING CAKRA
NO.
Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-
Waleran TTS 1441
JATUKRAMI
Nitih wanci nu mustari ninggang
mangsa nu utama. Runtuyan
kaasih jatukrami jadi bukti.
Parantos ngadahup:
Arif Nurhakim, (wargina Rudi
H. Tarmidzi-Sekred Mangle)
Ka
Endang Noviyanti, putra kula-
warga Bapa Sastra sareng Ibu
Sarah
Akad nikah sareng acara sukuran
walimahan (resepsi) dilaksana-
keun dinten Saptu, 17 Mei 2014 di
Sumedang.
Beber layar tarik jangkar ngam-
bah sagara kahirupan
Paguneman padungdengan an-
tara batin duaan
Silih asah, asih asuh jeung silih
talingakeun
Sinareng éta ais pangampih
MANGLE ngahaturkeun wilujeng
jatukrami sareng ngiring bingah
ka nu kagungan maksad ti dua
pihakanana, kitu deui ka pangan-
ten sakalih. Mugi sing lambat-
lambut enggoning ngambah
sagara rumah tangga. Amin.
57.
Manglé 247856
LLempa LempiLempong
“Masih kénéh perkara budak,
Lo.”
“Perkara kekerasan ka barudak
leutik téa, Mang?”
“Enya.”
“Ih, geuning manjang, Mang?”
“Tangtu baé manjang ari teu di-
ungkulan sacara daria mah, Lo.”
“Yaktos.”
“Salah sahiji paktor maweuhna
kajahatan ka barudak leutik téh,
cenah alatan kurang deukeutna
kolot jeung anakna.”
“Réa kolot nu saribuk jaman
ayeuna mah nyah, Mang. Nepi ka
teu boga waktu keur deudeukeutan
atawa merhatikeun anakna.”
“Kitu pisan, Lo.”
“Tungtutan jaman atuh da,
Mang.”
“Tungtutan jaman kumaha ari
Alo?”
“Dina jaman ayeuna mah réa
salaki jeung pamajikan nu duanana
digawé, atawa duanana usaha nepi
ka anakna dipasrahkeun atawa di-
asuh ku bujang, Mang.”
“Bener, Lo.”
“Antukna komunikasi antara
kolot jeung anakna jadi kurang.
Kamekaran budak, pangpangna
sacara psikologis, teu pati
kaperhatikeun ku kolotna.”
“Ih, geuningan pinter Alo téh.”
“Héhéhé….”
“Alatan kitu, Ibu Gupernur
ngadamel gerakan dua puluh menit,
Lo.”
“Dua puluh menit naon, Mang?”
“Dua puluh menit deudeukeutan
atawa padeukeut jeung budak, Lo.”
“Ukur dua puluh menit, Mang?”
“Minimal dua puluh menit téh,
Lo. Da alusna mah leuwih lila ti dua
puluh menit.”
“Oh.”
“Ku ayana éta gerakan, di-
piharep tatali batin antara kolot
jeung anakna terus nganteng. Sarta
mun aya pasualan nanaon ka
budak, bakal terus kadetéksi ku
kolotna.”
“Yaktos.”
“Ku éta gerakan dipiharep bisa
ngungkulan pasualan mahabuna
tindak kekerasan séksual ka budak
leutik.”
“Éta ku ku kacida jaman ayeuna
mah, Mang.”
“Ih, lain kacida. Puguh alus gera-
kan nu dilaksanakeun ku Ibu
Gupernur téh.”
“Kacida téh lain kana program ti
Ibu Gupernur, tapi kana kaayaan
jaman ayeuna. Rék babarengan dua
puluh menit téh kudu digerakeun
ku Ibu Gupernur.”
“Heueuh ku kitu téana mah.”
“Teu cara jaman keur uing leu-
tik.”
“Na kumaha jaman keur Alo leu-
tik.”
“Bébas rék iraha baé gé
léléndéan ka kolot téh.”
“Heuheuy.”
“Matak urang gé kudu terus
metakeun tarékah sangkan réa
waktu keur babarengan jeung
budak.”
“Satuju.”
“Ulah hayoh-hayohan ngudag
dunya bari budak diculkeun,
ditambélarkeun.”
“Yaktos.”
***
Dua Puluh Menit