3. Pola Pikir Urang Sunda dina Ekspresi Basa
Pamikiran nyaeta hiji proses pikeun manggihan hiji
masalah anu ngawengku kagiatan ideational.
Pamikiran Pamikiran autistic (ngalamun)
Pamikiran realitic (nalar)
4. Opat aspek kreatipitas basa
1. Katerbatasan ekspresi linguistik
2. Relatif bebas ti pengawasan stimulus
3. Keserasian ujaran kalawan kaayaan
4. Kasanggupan nyiptakeun leksikon anyar.
(Cairns & Cairna, 1976:8)
5. Gejala Basa Sunda Salaku Cerminan Pola
Pikir
Hubungan basa jeung pikiran tiasa ditingali tina segi :
1. Produksi ucapan salaku dasar pikiran
2. Basa salaku basis dasar pikiran
3. Sistem basa salaku penunjuk spesifikasi budaya
(Steinberg, 1982:101)
Gejala basa salaku cerminan dina pamikiran urang sunda
ditingali tina lima aspek :
1. Ayana harmoni dina sora
2. Ayana kontradiksi
3. Ayana kirata basa
4. Ayana paradigma basa
6. Harmoni Sora
Harmoni sora téh ditingali tina sora vocal, dina basa
sunda aya tujuh hurup vocal nyaeta : /i/, /a/, /u/, /é/, /o/, /e/,
/e/ , /eu/. Dina tujuh hurup vocal eta teh di bentuk anu sok
di sebut segitiga vocal anu didasari ku wangunan kecap
ulang trilingga. Bentuk sora kecap ulang trilingga aya
opat nyaéta pola anu di bentuk :
Bentuk /o/ /a-é-o/
( cas-cés-cos)
Bentuk /u/ /a-i-u/
( dag-dig-dug )
Bentuk /e/ /a-i-e/
( bak-bik-bek )
Bentuk /eu/ /a-i-eu/
( wah-wih-weuh )
7. Ayana Kontradiksi
Gejala basa anu saperti kieu ngabutuhkeun
inperensi teu langsung ti lawan ngobrol, anu dina
basa sunda disebut rakitan lantip.
Contona :
Nyai panggedéankeun kompor !
Nyai tolong besarkan kompornya !
Dina conto kalimah diluhur anu digedékeun lain
ukuran komporna, tapi seuneu na. Jadi, antara
runtuyan kecap-kecap jeung harti kecap na tibalik.
8. Ayana Kirata Basa
Gejala kirata basa ieu tẻh saukur aya dina basa sunda.
Basa kirata nu keur napsirkeun kecap tina ngaran, tempat,
sipat jeung barang. kirata basa ogẻ hartina tẻh kecap anu
bisa di ditebak jeung kecap anu disingkat , carana tẻh nyaẻta
ku cara misah-misahkeun unggal kecap atawa ngaranna
kana bagean-bagean suku katana anu bisa di tapsirkeunna
kumaha kahayang anu napsirkeunna.
Conto kecap na nyaéta :
Cirẻng Aci di gorẻng
Guru Digugu jeung ditiru
Combro Oncom dijero
9. Paradigma Basa
Ayana paradigma basa ieu nyaéta pamikiran
urang sunda lewat basa. Ceuk hasil panelitian yén
urang sunda mah mibogaan pamikirian anu sempit,
urang sunda boga prinsip siga kieu “ Ah sok we
akang nu janteun Presiden, kuring ma ku manggih
udud jeung kopi ge geus alhamdulilah“.
10. Sistem Kognitif Basa Sunda
Sistem kognitif basa sunda patali jeung lima hal,
nyaéta sistem ngaran, waktu , bilangan, warna jeung
sistem lingkungan.
Ngaran jelema
Contona : Maman Abdurahman, Acep Suracep,
Maman Sutarman.
Waktu
Urang sunda nyebut ngaran-ngara waktu
dumasar kana kaayaan. Contona : Peuting,
beurang, tengah peuting, jsb.
11. Bilangan
Masarakat sunda ngabogaan sistim bilangan anu
sarua jeung anu lainna, nyaeta mimitina ti enol
(kosong ) jeung saterusna. Keur nuduhkeun jumlah
anu teu puguh, masarakat sunda biasana make kecap
jumlah saperti “ Saanu “ “ Sakieu “ “ Sakitu “.
Lamun antara 20 nepi 30 sok ngagunakeun kecap
Likur. Contona :
1. Dua puluh hiji (21) salikur é
2. Dua puluh lima (25) lima likur atawa salawé
3. Dua puluh salapan (29) salapan likur.
12. Warna
Dina basa sunda aya warna dasar aya warna anu
patali jeung alam oge patali jeung kaayaan. Contona:
Héjo tai kuda, héjo lukut, héjo pucuk cau, héjo
ngagedod, beureum euceuy.
Sistem Lingkungan
Dina sistem lingkungan loba patalina jeung alam,
sasatoan, tutuwuhan jeung sajabana, urang sunda sok
loba ngaitkeunna contona ngaran tempat jeung sistem
lingkungan.
13. Cara Mikir Urang Sunda dina Ekspresi Basa
Hasil analisis ngeunan ekspresi basa sunda kapanggih
yén aya genep cara pola pikir urang sunda. Nyaéta
katerbukaan, subyektifitas, substansial, humoris, emosian,
teu langsung, teu tegas, santun, jeung satia.
1. Subyektifitas
Conto kecap panegas :
Kuring
𝑡éℎ
𝑜𝑔é
𝑚𝑎ℎ
𝑡é𝑎
Ti Tasik
14. 2. Substansional
Contona :
“ Bapa kuring patani kentang sukamukti|”.
3. Humoris
Salah sahiji karakter anu humoris nyaéta bakal
katempo tinta runtuyan kecap-kecap anu dipake dina
tindak tutur anu humoris.
4. Emosi
Contona :
- “Dasar goblog!”
- “Cicing siah monyet! “
- “ Gancangkeun leumpangna gendut! “
- “ ih, kéhéd téh teu nempo pisan. “
15. KACINDEKAN
Basa téh mangrupakeun salah sahiji pikiran anu di
ungkapkeun hiji jalma. Basa ogé heunteu saukur anu
nentukeun corak budaya, tapi basa ogé nentukeun cara
jeung jalan pikiran hiji jalama. Malah basa ogé bisa
mangaruhan kana tingkah lakuna hiji jalma. Basa téh
bisa ngagambarkeun pola pikir , tah ku kituna pola pikir
urang sunda mah patali jeung kumaha pola pikir dina
ekpresi basana, gejala basa anu jadi cerminan pola
pikirna, sistem kognitif basa sundana, jeung cara mikir
urang sunda dina ngaekspresikeun basana. Jadi pola
pikir sunda mah loba patalina jeung basa anu
diekspresikeunna , tingkah lakuna, undak usuk basana
jeung paradigmana nu dipake kuurang sunda.