2. Bubuka
Di wewengkon Sunda aya sawatara kampung adat anu bisa
didatangan, boh dijadikeun tempat wisata boh dijadikeun
tempat pikeun ditalungtik. Sanajan kitu, pikeun masarakat
anu cicing dina eta kampung henteu beda jeung masarakat
liana nyaeta ngalakonan hirup sapopoe anu normal biasa.
3. Teks Deskripsi
Nyaeta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun
atawa ngebrehkeun kagiatan indra (panempo, panguping,
pangrasa, panyabak, pangambeu) mingka hasil
pangalamanna. Karangan Deskripsi oge ngagambarkeun
objek sajentre-jentrena.
4. Contoh Teks Deskripsi Kampung Adat Sunda
Sacara etimologis kecap Baduy menang nyutat tina kecap
Badui. Urang sunda baheula di Pajajaran anu nyingkurkeun
maneh dina pareumnakeun abad ka 15 lantaran
arembungeun asup islam, tempat urang baduy ayana di
Cikebo, kiduleun Pandeglang.
Mula-mula anu nyebutna nyaeta balad islam pedah
arembungeun jadi Islam, di Cibeona ngajadikeun desa
soarangan jeung aya pangurusna.
5. Aya ogé nu nyebutkeun yén masarakat
baduy nyaéta sesebutan pikeun masarakat
di daérah Kanékés anu dibéré ku urang
Kanékés luar, sesebutan éta lantaran dua
hal nyaéta :
•Dipatalikeun jeung ngaran gunung jeung
walungan di daérah Kanékés nyaéta
gunung baduy jeung walungan Cibaduy nu
tempatna teu pati jauh antukna masarakat
anu nyicingan gunung jeung walungan éta
disebut masarakat baduy.
•Nu pamungkas dipatalikeun jeung suku
Baduwi di Arab nu dianggap golongan
handap boh tingkat hirupna boh
peradabanana tur sok pundah-pindah.
Heug téh masarakat luar Kanekes ogé
miboga sawangan nu sarua yén tingkat
hirup jeung peradabanana handap jeung
euweuh parobahan, éta sababna baduy
asal kecapna Baduwi.
Pasipatan urang Baduy
Urang baduy miboga paripolah anu jarang
robah ti baheulana. Ageman urang baduy
nyaéta sunda wiwitan. Numutkeun ageman
éta sagala paripolah manusa ulah silih
nyilakakeun kudu silih asih.] Urang baduy
dibagi jadi dua nyaéta baduy luar jeung
baduy jero.] Baduy jero kabagi kana tilu
kapuunan
nyaéta Cibeo, Cikeusik jeung Cikertawana.
Éta kapuunan miboga pamingpin anu
disebut puun. Sedengken baduy luar
ditandaan ku cara maké baju anu leuwih
dominan hideung, kasebar di gigireun baduy
jero. Baduy luar ogé disebut baduy
panamping anu hartina jalma anu dipiceun,
sabab urang baduy luar mangrupa urang
baduy jero anu dihukum lantaran ngalanggar
aturan anu aya di baduy jero
7. Kampung Adat Sunda ?
Kampung adat nyaeta hiji
perkampungan anu dieusi ku
masarakat anu masih nyekel
pageuh kana adat istiadt
karuhun. Seperti Contohna
kampung adatdi daerah sunda
nyaetakampung Naga anu
ayana di kab. Tasikmalaya.
Kampung adat biasana henteu
pati kapangaruhan ku adat luar
di sabuderanana.
8. Kampung Naga
Kampung Naga di Tasikmalaya
Jawa Barat nyaéta kampung
anu dicicingan ku sagolongan
masarakat anu kuat pisan dina
nyekel adat karuhun, dina hal
ieu adat Sunda. Kawas
padumukan Baduy, Kampung
Naga jadi objék kajian
antropologi kahirupan
masarakat padésaan Sunda
dina mangsa transisi tina
pangaruh Hindu kana pangaruh
Islam di Jawa Barat.
9. Kampung Naga
Kampung Naga di Tasikmalaya
Jawa Barat nyaéta kampung
anu dicicingan ku sagolongan
masarakat anu kuat pisan dina
nyekel adat karuhun, dina hal
ieu adat Sunda. Kawas
padumukan Baduy, Kampung
Naga jadi objék kajian
antropologi kahirupan
masarakat padésaan Sunda
dina mangsa transisi tina
pangaruh Hindu kana pangaruh
Islam di Jawa Barat.
10. Sajarah
Kampung Naga téh kampung adat anu masih lestari. Masarakatna
masih nyekel kana tradisi karuhunna, nolak intervensi ti pihak luar lamun
ngaganggu jeung ngaruksak kalestarian désa. Sanajan kitu, asal-usul
kampung ieu teu pati jelas. Teu aya kajelasan sajarah: iraha, saha
pendirina jeung naon alesan dibentukna ieu kampung téh. Warga
Kampung Naga sorangan nyebut sajarah kampungna ku istilah "Pareum
Obor". Pareum upama ditarjamahkeun kana basa Indonesia mah hartina
paéh, poék. Obor hartina katerangan atawa lampu. Maksud na mah ieu
patali jeung sajarah Kampung Naga.
Masarakat Kampung Naga ngalaporkeun yén ieu téh dibalukarkeun ku
didurukna arsip sajarah dina waktu kajadian DI/TII. Kampung Naga nu
harita leuwih ngadukung Soekarno jeung kurang simpati kana maksud
DI/TII anu ngakibatkeun Kampung Naga diduruk dina taun 1956.
11. Agama jeung system pangaweruh
1. Agama : Islam
2. Wangun imah : Kudu dina tihang, bahan awi jeung kai, hateup tina
daun lontar, serat / alang-alang, lanté imah kudu dijieun tina awi atawa
papan kai. Imah kudu nyanghareup ka kalér atawa kidul ku cara
ngalegaan kulon-wétan. Tembok imah dijieunna tina bilik atawa
anyaman awi kalayan anyaman sasag. Imah teu kudu dicét, kecuali
dilapis. Bahan imah teu bisa maké témbok, sanajan mampu nyieun
imah témbok atawa wangunan (gedong).
3. Imah teu kudu dilengkepan ku parabot.
4. Aya pantangan atawa pamali séjénna, nyaéta dina poé Salasa, Rebo,
jeung Saptu, masarakat Kampung Naga dilarang nyarita ngeunaan
adat jeung asal-usul Kampung Naga.
12. Adat jeung Rupa Wangunan
1. Di antara upacara adat nu dilaksanakeun di Kampung Naga
nyaéta:
• Upacara poé-poé Islam
• Mulud atawa Alif ku ngayakeun Pedaran (macakeun sajarah
karuhun) nu dimimitian ku mandi di walungan Ciwulan.
2. Wangunan di Kampung Naga boh imah, masjid, balé
patemon, atawa leuit bentukna sarua. Luhurna ditutupan ku
hateup jeung injuk (tutup wuwung). Pindingna
tina bilik sedengkeun pantona tina serat hoé, kabéhanana
nyanghareup ka kalér atawa kidul.
13. Tugas !
1. Jieunkeun teks deskripsi Kampung Adat Sunda dina karton.
2. Jieunkeunna sakreatif hidep, di reka-reka terus di tempelan gambar-gambar
Kampung Adat Sunda na oge.