2. WAYANG GOLEK
Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa
gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta
seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan)
seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari
(gerak-gerik wayang) Anu jadi lulugu dina
pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu
pancenna ngalalakonkeun carita.tokoh-tokoh
dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan
ku masarakat urang, upamana bae Gatotgaca,
Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung
sajabana.
3. Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun
palasipah atawa ngabodor, Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge
ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung kecrek. Campala teh
sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan
atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun
ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.
Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek diantarana:
kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab.
Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden,
nyaeta juru kawih anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu
ditembangkeun ku sinden luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun,
upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun
lalaguan anu sedih, jsb.
4. ANGKLUNG
Angklung mangrupakeun sala sahiji alat musik
has tradisional nu asalna ti jawa barat, nu
nyebar di sakumna balarea dimasyarakat
pasundan. Angklung di jieuna tina bahan dasar
awi.alat musik tradisional angklung mimitina
mah ngabogaan pungsi keur ngiringan upacara
atawa ritual nu dilakukeun masyarakat sunda
baheula. Ritual ieu biasana di ayakeun
ngenaan kana tatanen, nu mangrupakeun
wangun rasa sukur jeung panghormatan ka
dewi Sri. Upacara ieu mangrupakan wangun
kapercayaan masyarakat nu masih kajaga
keneh di sababaraha patempatan di jawa barat
nepi ka kiwari.
5. Salain pungsi utamana, di jaman ayeuna mah angklung teh
lain saukur di pake ajang upacara atawa ritual adat wungkul,
sabab ayeuna mah angklung teh geus mekar nuturkeun
jaman, nepi ka bisa dipungsikeun salaku alat keur ngiringan
di rupa-rupa acara saperti, jadi alat keur ngiringan orkestra,
kasenian, teater, acara khitanan, hajatan, arak-arakan, jeung
jadi bahan pangajaran di sakola, guman nutung kana jenis
angklungna.
6. sisingaan
Sisingaan mangrupakeun seni pintonan rahayat
khas Sunda. Teu aya asal pasti, iraha kasenian ieu
mimiti di paénkeuna. Ceunah mah ngaran
Sisingaan téh geus dipikawanoh ku masarakat
Sunda di Jawa barat ti jaman baheula.Ari saurna
mah mimitina kasenian ieu ngan ukur dipaénkeun
di wéwéngkon kabupatén Subang, Jawa barat.
Tapi kiwari pintonan Sisingaan ogé geus
ngembang di wewengkon séjéna, kawas
Kabupatén Bandung, Purwakarta jeung
Sumedang.
7. Sabot acara sisingaan di paénkeun ogé ilaharna di iringan ku témbang
tradisional, kawas kendang, gong, salompret, sarta ketipung. Bari
lalampahan, nu ngagarotong tandu ogé jojogédan bari nuturkeun sora musik.
Biasana mah kasenian ieu ogé dipaénkeun babarengan ku atraksi nu séjéna,
kawas pintonan akrobat sarta pencak silat. Teu tinggaleun, tarian has Sunda,
salah sahijina Jaipong.
saban tandu éta dipunggu ku opat urang lalaki. Maranéhanana maké pakéan
adat Sunda. Hiji ciri hasna, maranéhanana maké ikét sirah ti lawon atawa
udeng.
Jadi pamaén Sisingaan ieu téh teu gampang, sabab pamaén kudu ngabogaan
katerampilan nu husus. Miasalna kudu bisa ngibing, sarta maénkeun
sawatara macem-macem gerakan bari nahan sisingaan nu dibawana.
8. TARI RONGGENG GUNUNG
Ronggéng Gunung mangrupakeun kasenian has
Ciamis anu biasa dipintonkeun di buruan imah
mun misalkeun aya karaméan kayaning mun aya
nu hajat atawa ngawinkeun, nyunatan, upacara
ngawuluku atawa melak paré, jeung lain
sajabana. Lilana pintonan Ronggéng Gunung
ieu kawilang lila, jalma anu miluan dina
kelompok kasenian Ronggéng Gunung ieu
biasana antara 6 tepi ka 10 urang, sanajan kitu
osok ogé nginjem pamaén ti kelompok nu sejen.
9. Biasana silih injeum pamaén téh pikeun meunangkeun sindén
lulugu, nyaéta awéwé anu umurna geus kolot, tapi hadé dina
ngawihna. Sinden boga pancén midangkeun lagu-lagu nu geus
ditangtukeun. Waditra anu digunakeun pikeun ngiringan tari
Ronggéng Gunung nyaéta ketuk tilu siki, goong, jeung gendang.
Pikeun jadi ronggéng dina jaman baheula mah henteu gampang
kawas ayeuna.
Rupaning sarat kudu dicumponan di antarana pangawakan kudu
hadé, puasa 40 poé anu bukana téh ukur ngadahar cau raja dua siki.
Latihan napas pikeun ngahadéan sora, raga, jeung rohani, tur
diaping ku ahlina. Lian ti éta wungkul, ilaharna pamaén ronggéng
kudu taat kana aturan misalna teu meunang waka kawin, ku sabab
kitu ronggéng téh kudu lanjang atawa randa. Kamekaran Ronggéng
Gunung dina période 1904 tepi ka 1945 loba ngésér ajén-ajénna.
10. KUDA RONGGENG
Kasenian has Sunda ieu mangrupa tarian anu asalna
ti Sumedang, Jawa Barat anu hartina ketrampilan.
Kuda-kuda anu dipaénkeun saméméhna geus dilatih
nari saluyu jeung wirahma musikna. Kuda anu
dipaké lain kuda waé, tapi kudu boga awak anu kuat
jeung awakna rata-rata.
Biasana musik anu dipirig ku kendang, tapi ku jaman
kiwari bisa ngagunakeun musik naon waé. Pintonan
kasenian ieu bisa ngageuingkeun panongton
lantaran kuda bakal ngageleng-gelengkeun sirah
kana musik nu dipirig. Mimiti muncul ti kampung
Cikurubuk, Kuda Renggong ahirna sumebar ka
wewengkon Sumedang jeung sabudeureunana.